id
stringlengths
1
5
text
stringlengths
504
2.3k
label
int64
0
7
label_text
stringclasses
8 values
4556
Tongtonan olahraga karesep lalaki salian ti badminton jeung bola nyaeta nongton tinju. Bapa urang biasana resep pisan lamun nongton tinju, boh tinju luar atawa tinju anu aja di indonesia. Nongton tinju sok aya wayah kumaha wae anu seringna mah lamun peuting nepi ka rek isuk tinju sok aya wae tina tv. Naha tinju di pikaresep ku lalaki sigana kusabab gegelutan mereun nya jad asa rame. Tapi mending keneh lamun rek gelut di lampiakeun emosi na kana olahraga jadi sifatna positif jeung lamun meunag teh jadi prestasi anu bisa ngabagjakeun kolot lain matak di carekan teu cara lamun gelut liat atawa tawuran.
1
sports
7376
Marcus Fernaldi Gideon atawa anu biasa disebut Sinyo nyaeta atlet badminton nasional ti cabang ganda putra Indonesia anu dipasangkeun jeung Markis Kido sarta ganda campuran jeung Rizki Amelia Pradipta. Ayeuna, Marcus Gideon rengking ka-28 dunya pikeun ganda putra jeung Agrina Prima Rahmanto. Marcus Fernaldi Gideon oge kaasup salah sahiji pamaen badminton anu boga seeur pisan prestasi. Rekor prestasi Marcus Gideon jeung Agrina Prima dina ganda putra diantarana meunang Singapore International Series taun 2011 jeung perempat final Bankaltim Indonesia Open GP Gold. Dina taun 2012 oge eta pasangan kaluar salaku jawara 2012 Fajr International Challange, Juara Ciputra Hanoi Vietnam International Challange 2012, jeung perempat final Yonex Sunriser Vietnam Open GP 2012.
1
sports
5071
Cara supaya liburan urang teu kaganggu ku urusan pagawean. Kahiji, pilarian tempat wisata alam nu asri jeung enakeun. Kadua, pilarianspot nu teu aya jaringan internet. Katilu, nikmati pamandangan, ulah terpaku wae kana hape. Jieun waktu liburan ieu berkualitas ku cara menikmatina. Mun bisa mah bari ngobrol jeung jalma nu anyar wawuh, supaya ngaresfresh oge pikiran jeung obrolan urang. Kaopat, kasampingkeun heula pikiran soal pagawean atawa kagiatan sapopoe, fokus kana pengalihan nu aya di hareupeun urang. Nikmati pamandangan alamna, jahkeun tina pikiran jeung beban. Bebaskeun sagala rupana. Mangpaatkeun waktu liburan nu ngan sakeudeung ieu jang nyegerkeun awak jeung pikiran urang sarerea.
2
leisures
5820
Permaenan onet teh jadi salah sahiji permaenan nu sering dipaenkeun ku masyarakat, khususna ibu-ibu. Cara maenkeun permainan onet teh gampang pisan, bakal babari dipahami ku pemula ge. Mimiti, buka aplikasi onet, terus pilih rek mode offline atawa mode online. Geus kitu, pilih variasi onet na, rek nu klasik atawa nu variasi anyar. Tuluy klik tombol mulai atawa start. Tah, teangan gambar onet nu sarua, misalna domba jeing domba, kuda jeung kuda, jeung sajabana. Tuluy klik hiji gambar, terus klik deui gambar nu saruana. Tapi kudu inget yen nu bisa di klik teh ngan nu jalurna teu kahalangan, rek ti sisi, zig zag, atawa sajabana nu bisa nyieun jalur.
6
technology
3564
Saloba 41,8 persén masarakat Indonésia ngarasa teu nyaman hirup babarengan jeung Syiah. 46,6 persén masarakat ngarasa teu genah disarengan ku urang Ahmadiyah jeung 80,6 persén masarakat ngarasa teu genah babarengan jeung jalma anu miboga hubungan sasama jenis (homoseksual). Samentara éta, jalma anu ngaku teu nyaman hirup babarengan jeung tatanggana béda agama éta 15,1 persen. Hartina, mayoritas urang Indonesia anu beragama Islam leuwih resep hirup tatangga jeung jalma anu béda agama ti batan hirup jeung tatangga jeung umat Islam anu béda pamadegan, saperti Syiah jeung Ahmadiyah,” ceuk Ardian Sopa ti LSI Community. Ardian nétélakeun, dina taun 2005, LSI kungsi ngayakeun survéy ngagunakeun variabel jeung indikator anu sarua. Waktu éta, ngan 8-65 persén masarakat ngarasa teu nyaman jeung tatanggana béda identitas. Papanggihan survéy 2005 némbongkeun yén jalma anu teu nyaman hirup babarengan jeung jalma béda agama naek 8,2 persen tina 6,9 persen jadi 15,1 persen dina survey 2012. 1 persen jadi 41,8 persen.
5
slice of life
5488
Di daerah Subang mah aya nu ngaranna hiburan Nyai Pohaci. Hiburan ieu teh mangrupa hiburan tari nu dipadukeun jeung lagudaerah oge lagu dangdut. Jadi konsep na teh lagu nu ditarian. Biasana hiburan ieu sok aya mun diundang dinu hajatan. Jiga kamari abdi uleman ka babaturan abdi nu di Purwadadi, singhoreng hiburan na teh naggap Nyi Pohaci. Abdi karek apal yen Nyi Pohaci teh lagu dangdut nu dibere tarian Jaipongan. Hiburan ieu jadi hiburan nu terkesan mewah di Subang. Salian tina nilai seni na, oge nilai estetika jeung manawi na nu teu kanilai. Pokok na mah ieu hiburan teh dianggap nu paling apik we dina bidang seni mah.
4
culture & heritage
7951
Aya seeur cara kanggo ngaleungitkeun setres di antarana nyaeta ngadekeutkeun diri urang ka Gusti Alloh. Carana aya seeur, salian ti ibadah ka Alloh dina sapopoe urang, tiasa oge ku cara nambihan amalan ibadah urang sapertos solat rawatib jeung maca qur'an atawa ngalakukeun amalan anu sanesna anu sifatna dianjurkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad tapi teu wajib. Salian ti meunang pahala anu seeur, ngalakukeun amalan ieu oge tiasa ngajadikeun urang leuwih tenang. Aya oge cara anu sanesna nyaeta ku cara miluan ngaji sasarengan jeung rerencangan. Biasana di masigit sok aya ceramah ti ustad anu tiasa diiluan ku saha wae. Ti ditu urang tiasa meunang rerencangan anyar jeung elmu anyar oge.
5
slice of life
4237
Brem nyaéta kadaharan anu biasa di jadikeun oleh oleh lamun ulin ka kota madiun jawa timur, brem ka asup kana kue h anu rasana unik pisan. Brem dijieun tina béas ketan anu geus asak jeung digaringkeun, anu mangrupa hasil ferméntasi béas ketan hideung anu ngan nyokot sari jus anu tuluy disimpen salila kira-kira sapoé sapeuting. Rasa Brem teh jadina rada nyereng jeung haseum kecut kitu tapi enak. Sensasi dahareun ieu muncul lamun dahareun diasupkeun kana mulut bakal langsung ngalembereh tur leungit ninggalkeun rasa 'semriwing' tiis kitu dina létah. Bentuka brem oge ceuk urang mah unik nyaeta di bentuk panjang jadi siga kai warna nage coklat cream kitu. jadi siga ngadahar kai atawa balok tapi ipis jeung teksturna hipu. Lamun nu rek jalan jalan ka madiun brem bisa di jadikeun pilihan oleh oleh hargana ge teu mahal jeung pastii tahan lama lamun perjalanan jauh.
4
culture & heritage
6714
Salah sahiji tempat wisata anu gaduh seeur pisan tempat kanggo popotoan nyaeta Tebing Keraton anu lokasina aya di Taman Hutan Raya di Dago. Tempat ieu janten tempat karesep budak ngora anu hoyong popotoan teras diaplod dina Instagram. Pangaos tiket ka Tebing Keraton nyaeta dua belas rebu rupiah. Urang tiasa datang ti jam genep enjing nepika jam opat sonten. Teu ngan saukur popotoan, tempat ieu oge tiasa dijadikeun tempat jang sasapedahan atau mapah sabari ningal pintonan alam anu tiis. Tebing keraton jangkungna sarebu dua ratus meter di luhur permukaan laut. Upami bade ka Tebing Keraton urang teu tiasa ngangge mobil nepi ka luhur, janten mobilna kedah diparkirkeun di handap teras mapah ka luhur.
2
leisures
3540
. Sieun boga minantu kitu. Nurutkeun panineungan kuring, loba oge rumah tangga anu gagal lantaran aya gangguan ti mertua. Coba mun nangtoskeun kumaha karajaan anjeunna. Sacara umum, urang pasti bisa nangtoskeun naha batur téh pelit atanapi henteu sanggeus nyaho silih pikeun sawatara waktu. Salaku awéwé utamana, urang kudu nyaho naha anjeunna cukup berehan ka urang (kulawarga) ka hareup atawa sabalikna. Pilih pasangan anu henteu ngaroko. Abdi henteu hoyong kompromi sareng kabiasaan ieu, khususna sareng jalma anu janji bakal eureun. Upami anjeun parantos nyobian, kuring yakin yén waktos salajengna anjeun bakal nyumput di tukangeun roko. Atanapi upamana, aya hiji cariosan ti rerencangan anu nyarios: "manehna teu wani ngaroko di payuneun abdi." Barina ogé, anjeun ngan kabogoh, kumaha lamun anjeun geus salaki? Abdi NO, abdi masih teu bisa bau eta. Balukar tina ékonomi ka kaséhatan bakal dirasakeun di hareup. Ieu mangrupikeun sababaraha hal anu kuring hoyong dugikeun, saha terang ieu bakal mangpaat pikeun réréncangan Quora. Upami aya anu sanés anu kuring émut, kuring bakal nambihanana engké.
5
slice of life
3079
Urang mimitian ngajual online ti pisan dasar. Nyobaan janten reseller & dropshipper. Sadayana kusabab pertimbangan modal. Salian ti masih dina tahap nguji, urang oge anyar pisan dina waktu éta ngeunaan seluk beluk dunya maya. Pertimbangan kami nyaéta yén janten dropshipper peryogi modal minimal, artos bakal jalan, ranté sirkulasi produk ogé saderhana pisan, ti produsén tiasa langsung dikirim ka konsumen, kami ngan ukur setor alamat palanggan anu hoyong barang anu kami gaduh. ditampilkeun dina rupa-rupa média sosial, pasar sareng situs badarat. halaman. Samentara éta, urang ngalakukeun posisi urang salaku reseller ambéh barang bisa datang ka tempat urang munggaran, urang ngalakukeun cek, kitu ogé pak gaya urang sorangan. Ngan antisipasi aya barang anu ngahaja cacad tapi tanpa kanyahoan urang dikirim ka tempat palanggan.
7
business
848
Aya loba olahraga beladiri nu bisa dilakukeun di sakolaan, salah sahijina nyaeta eskul karate. Mun belajar karate, siswa bakal ngarasakeun loba mangpaatna. Siswa bakal diajar mela diri dina kaayaan anu genting, pas siswa keur aya gangguan, teknik nu dipelajari dina eskul karate bisa mere kamampuan jang mela diri. Karate oge bisa ngajarkeun siswa jang ngasah kaparigelan jadi pamingpin. Naha bisa kitu? Lantaran engkena siswa bakal meunangkeun tingkatan sabuk nu lewih luhur. Tangtuna maranehna bakal jadi pamingpin jang siswa anu anyar asup. Engkena siswa bakal mantuan, nyumangetan oge mere pembinaan ka siswa anu anyar. Ku sabab kitu, eskul karate teh penting jang bela diri oge ngasah kapamingpinan.
1
sports
4627
Jaman ayeuna lamun eweuh alat elektronik paranti ngawetkeun atawa nyimpen dahareun jeungbahan bahan keur masakan siga kulkas tantu bakal jadi masalah gede, komo ayeuna loba bahan bahan jeung jenis dahareun anu teu bisa lamun teu tiis bakal babari rusak atawa buruk, eta pasti jadi masalah komo keur batur anu boga usaha kana bidang kuliner atawa bakery ka asup es krim. Matak ku ayana kulkas jadi alat anu penting pisan dina usahana lamun eweh kulkas pasti manehna bakal rugi gede pisan. Atawa lamun eweh kulkas bisa jadi eweh rupa rupa dahareun jeung kueh kuehan siga ayeuna. Soalna loba kueh kueh ayeuna anu kudu di sajikeun tiis.
6
technology
2382
Budi nganggap adat Umbah Gaman (Nyuci Pusaka) wajib unggal 1 Suro. Malah kudu dilestarikan ku para pecinta karya seni atawa pusaka kawas dirina. Ku kituna, manéhna hayang tradisi ieu teu punah. Budi némbongkeun cara nyeuseuh keris jeung pasanganna, Slamet 'Keris'. Manéhna némbongkeun kerisna hiji-hiji. Saméméh dimandian, keris diharudum ku menyan. Saterusna, aya 7 rupa kembang jeung ditungtungan make arsén. Nurutkeun manéhna, koleksi kerisna téh rupa-rupa. Bentukna saé, jinis, ukuranana. Malahan cenah kerisna ti jaman Singosari, Mataram, jeung Majapahit, bahan dasarna tina perak, nikel, beusi murni, nepi ka batu meteorit nu ngandung loba mneral unik nu heuteu atawa jarang ditemukeun di dunya biasa.
4
culture & heritage
4236
Bakpia mangrupakeun ikon oleh- oleh populér ti Yogyakarta. Teu lengkep mun ulin ka Yogyakarta tanpa meuli bakpia. Ampir unggal toko oleh-oleh ngajual kadaharan anu hiji ieu. Bakpia nyaéta kadaharan anu dijieun tina tipung gandum anu dipanggang ku eusian dina wangun kacang hejo dicampur gula. Sanajan kitu, kadaharan anu dianggap has Jogja sabenerna lain asalna ti Yogyakarta, tapi asalna ti Cina. bakpia dibentuk tina pangaruh akulturasi budaya Cina jeung Jawa. Kombinasi kuliner ieu ngajadikeun ngalayanan kueh nikmat jeung nikmat. Bakpia mangrupa bukti yen bentrok budaya teu bahaya. Bakpia asalna tina dialek Hokkien kalayan ngaran aslina Tou Luk Pia anu hartina kueh atawa roti anu eusian daging. Seiring perkembangan jaman jeung lobana paménta ti nasabah, Bakpia di modifikasi jadi eusina rupa rupa henteu ngan ukur ngandung kacang hejo, sarta berinovasi ku rupa-rupa varian keusikan anyar. Ayeuna, bakpia disuguhkeun ku rupa-rupa eusian, ti mimiti kejo, ketan hideung, ubi, pandan nepi ka coklat.
4
culture & heritage
9360
Istilah tabulampot mindeng dipaké, utamana dina dunya perkebunan. Pikeun anu teu wawuh kana istilah tabulampot, tabulampot téh singgetan tina tanam buah dalam pot nya éta prosés penanaman bibit buah dina pot. Sanaos aya watesan dina lahan, metode pertanian ieu di lahan sempit sapertos tabulampot ieu ngamungkinkeun anjeun tetep bisa ngebon. Sanajan kitu, teu sakabéh pepelakan buah bisa tumuwuh ngagunakeun cara tabulampot ieu, kayaning durian nu boga tangkal badag batang. Tatanen ngagunakeun cara ieu bisa ngagunakeun siki generatif (tina siki) atawa siki vegetatif (cangkok, okulasi, jeung panyambungan). Média anu diperlukeun diantarana pot anu gunana pikeun ngarojong dedeg tutuwuhan, campuran taneuh, kompos, jeung areng sekam.
5
slice of life
8116
Sanajan babarah pendengar radio mulai parindah ngagunakeun aplikasi atanapi online streaming. Nanging saleresna masih keneh seueur nu ngadangukeun radio. Nu benten ngadangukeun radiona sanes lewat radio nu kotak sapertos jaman baheula. Ayeuna mah ngadengekuen radio teh tiasa dimana wae, dina hp aya, di mobil ge tiasa. Sanajan seueur radio-radio nu tos teu siaran deui, nanging radio-radio nu boga ngaran ageung tur tos kakoncara teh aya keneh nu eksis nika ayeuna kusabab pendengarna setia ngadangukeun siaran. Bahkan radio-radio ieu teh tos seueur nu mulai adaptasi ka platform anyar sapertos nu tadi disebatkeun. Arek eta nganggo ngaran nu tos aya atanapi ngarebranding nganggo ngaran nu anyar.
6
technology
869
Lamun dipikir-pikir mah naon ngeunahna naek gunung? Kacape-cape, katiris-tiris, mending cicing di imah. Eta eusi pikiran urang 10 taun kamari saacan apal kumaha ngeunahna naek gunung. Enya emang teu bisa dipungkiri naek gunung teh cape, tiris, jeung ngaluarkeun duit nu teu saeutik jang sewa itu ieu na. Tapi aya karesep sorangan naek gunung teh. Contona wae bisa ngopi di alam anu bebas, ieu siga sepele, tapi malah katagihan. Komo deui mun raramean naek gunungna teh, geus tangtuna leuwih seru. Ti sapanjang jalan aya babaturan ngobrol. Puncak kabungahan eta tangtuna pas geus nepi puncak, aya kareueusan sorangan bisa nepi puncak anu can tangtu nu sejen mah mampu.
1
sports
4760
Bisnis online diwangun ku 2 kecap nyaeta bisnis jeung online nyaeta mangrupa jualan usaha atawa kagiatan anu dilaksanakeun ku grup atawa individu, pikeun neangan kauntungan atawa panghasilan ku cara ngajieun ngahasilkeun produk atawa jasa pikeun nyumponan kabutuhan konsumen sedengkeun kecap online nurutkeun nyaeta kagiatan anu disambungkeun ngaliwatan jaringan komputer anu bisa diakses ngaliwatan jaringan komputer sejen di saluruh dunya. Jadi berjualan online atawa usaha online nyaeta jenis usaha anu dijalankeun ngaliwatan media internet atawa digital. Ieu ngandung harti yen kagiatan bisnis jual-beuli, layanan palanggan, pamasaran, sareng sajabana dilaksanakeun sacara online. Anjeun tiasa ngajual rupa-rupa jinis produk, mimitian ti barang, jasa, dugi ka produk digital.
7
business
1578
Urang sok ngarasa sedih mun ninggali babaturan sosoranganan, sanajan eta lain babaturan deukeut urang, tapi urang sok nyampeurkeun maturan manehna. Manehna teh budak anyar di sakolaan jadi emang teu boga babaturan, urang sok inisiatif nu agresif ngadeukeutan. Geus lila-lila ngobrol mah jadi apal kumaha kulawargana, sabab sok mindeng ulin ka imahna. Kolotna oge balageur, malah mun ulin ka imahna urang sok dikepelan duit, ngomongna mah jang jajan ceunah. Pernah hiji waktu mah, urang diajak ka acara kulawarga besarna, dina tampilanna ge geus kaciri ieu mah lain kulawarga biasa. Sakapeung mah urang sok merod, tapi di sisi lain sok bersyukur mibogaan babaturan kawas kitu, pikiran teh jadi terbuka.
5
slice of life
5868
Zaman ayeuna mah kabutuhan ngabadikeun gambar teh jadi salah sahiji hal nu penting pisan. Malahan mah jadi hiji profesi anu bisa dibilang cukup menjanjikan. Pasalna, dina sagala aspek kahirupan teh perlu pisan kamera. Mun rek ulin atawa jalan-jalan, sok popotoan make kamera. Malahan mah ayeuna geus seueur kamera canggih nu bisa dipake di sagala situasi. Aya kamera khusus jang dibawa ka jero cai, nyaeta kamera underwater. Aya kamera action anu bisa dipake kagiatan outdoor atawa kagiatan action sejenna. Aya kamera 360 derajat nu bisa nunjang videografi. Jeung seueur deui kamera sejenna. Makin hari makin canggih we fitur nu diluncurkeun dina kamera teh.
6
technology
4014
Nalika kuring hayang lalajo pilem dina salah sahiji layanan digital, kuring manggihan hiji pilem alus disebut Yo wis ben, pilem dijieun ku Bayu Skak anu ogé dibéntangan Bayu Skak dina peran utama alus pisan. Pilem kahiji anu ku kuring ditonton kalayan pinuh dialog ku basa Jawa jeung ngamumulé budaya daérah Jawa. Film ieu nyaritakeun Bayu, anak tukang dagang pecel anu hayang ngudag cita-citana ngamimitian band kawentar sangkan bisa ngabantu ekonomi indungna. Tétéla film ieu parantos lami didamel sareng parantos janten tilu musim anu bakal ditayangkeun dina taun 2018, 2019 sareng yo wis ben finalna bakal di 2021. Yowis ben oge didamel séri anu bakal tayang dina taun 2020. kalawan 12 episode.
2
leisures
7938
Jaman ayeuna tos mulai seeur pisan bencana alam sapertos lini nepikeun tsunami. Bencana alam ieu sabenerna aya nu tiasa dicegah aya oge anu teu tiasa urang cegah. bencana alam anu tiasa dicegah contona nyaeta banjir lantaran banjir biasana disebabkeun ku parilaku masarakat anu resep miceun runtah di walungan atawa di solokan, janten saluran cai kasumbat ku runtah. Komo deui lamun kahalanganna ku runtah palastik anu hancurna lila pisan. Matak lamun urang teu hoyong beunang musibah urang ulah miceun runtah di mana wae. Seeur jalmi anu mikir yen manehna hungkul anu miceun runtah di walungan, tapi kabehna mikir kitu janten runtah teh seeur pisan lantaran ti sababaraha jalmi anu miceun runtah di tempat anu sami.
5
slice of life
2423
Sesepuh masarakat Baduy anu ogé Kepala Désa Kanekes, Kacamatan Leuwidamar, Kabupatén Lebak, Jaro Saija, ngusulkeun upacara adat “Seba Baduy” dilaksanakeun dina tanggal 30 Méi 2020 kalayan dihadiran 30 urang wawakil. Palaksanaan paréntah ngayakeun “Seba Baduy” téh wajib sabab dumasar kana kaputusan adat, malah ritual séba geus dilaksanakeun ti jaman karajaan, kaasup karajaan Islam anu dipingpin ku Sultan Hasanudin Banten. Kagiatan Seba Baduy mangrupa bagian tina rukun adat sanggeus masarakat Baduy Dalam ngalaksanakeun Kawalu salila tilu bulan. Dimana palaksanaan Kawalu, wisatawan dilarang asup ka wewengkon padumukan Baduy Dalam.Kagiatan “Seba Baduy” sacara harfiah nyerenkeun tradisi masrahkeun hasil bumi jeung ngalaporkeun rupa-rupa kajadian anu lumangsung dina taun katukang di wewengkon masarakat Baduy di pedalaman Kabupaten Lebak.
4
culture & heritage
4977
Cook helper mangrupakeun salah sahiji pagawean nu ngutiplek di dapur. Tugas cook helper nyaeta ngabantuan chef dina pagawean nana. Biasana cook helper ditugaskeun jang nyiapkeun sagala bahan-bahan masakan nu dibutuhkeun ku chef. Cook helper oge tanggung jawab dina kasadiaan bahan, kasadiaan alat, jeung kaberesihan alat-alat masak. Baju nu dipake biasana sarua jeung chef, ngan beda model hungkul. Cook helper oge wajib make apron jeung sapatu khusus. Singkat na mah cook helper teh tukang ngabantuan chef dina sagala hal nu hubungan nana jeung masakan. Cook helper oge kudu ngarti jeung paham kana sagala nu jadi rencana masak chef di unggal kagiatannana.
0
food & beverages
6731
Di suku Gunung Manglayang aya salah sahiji tempat jang mondok, namina Rumah Lereng Bandung. Lokasi na aya di Cibiru, Cilengkrang Bandung. Tempat ieu ngusung tema imah tradisional urang Sunda. Lantaran lokasi na aya di Cilengkrang, tempat ieu posisi na caket sareng Curug Cilengkrang. Aya kaleuwihan anu matak nyieun urang kudu pisan datang kadieu nyaeta aya fasilitas mesin cuci, alat kanggo ngagaringkeun buuk jeung baju, jeung licinan. Janten upami urang bade mondok lami di dieu, teu kedah nyandak acuk seeur lantaran tiasa dicuci di dieu. Tamu anu datang ti luar kota oge teu kedah hawatos lantaran tempat ieu oge nyadiakeun jemputan shuttle. Janten, ngantosan naon deui? Langsung jadwalkeun datang ka tempat ieu kanggo liburan sareng kulawargi!
2
leisures
6661
Lamun keur usum hujan biasana urang Bandung mah sok neangan minuman anu tiasa ngahaneutkeun awak, daripada ninyuh kopi mending ge nginjm bajigur. Bajigur gaduh rasa anu haneut, negunah kana awak. Sakilas mah warna na jiga cikopi padahal rasana langkung amis jeung tangtu langkung sehat ti cikopi. Bahan ngadamel bajigur oge teu loba, ngan kudu aya jahe, gula, pandan, santen jeung kopi sasendok, kadang-kadang aya oge tukang bajigur nu nambihan sakoteng. Minuman bajigur kaasup minuman anu tiasa didamel di imah jeung cara masak na oge gampang. Tapi upami hoyong di leuwih gampil deui, urang tiasa meser bubuk bajigur anu tinggal ditinyuh make cai panas.
0
food & beverages
5856
Mesin cuci nu aya di imah abdi mah nyaeta mesin cuci merk LG anu manual. Kapasitasna dugi ka dua belas kilogram, jadi bisa dipake seuseuhan jiga salimut, sprei, jeung sajabana. Mesin cuci na teh aya dua tabung, nu hiji jeung nyeuseuh, nu hiji jeung ngeringkeun. Dina luhureun tabung aya tombol nu diputer kangge ngoperasikeun mesin cuci. Tombolna teh aya jang ngatur cai, ngatur kakuatan spin, ngatur muang cai, jeung ngatur timer pengeringan. Jangkung mesin cuci na teh kira-kira sadada orang dewasa. Mesin cuci dua belas kilogram teh kabilang mesin cuci skala besar anu sok dipake nyeuseuh skala gede, biasana jang nu sok ngalaundry.
6
technology
3586
Saparantos linu ngaleueut, urang duaan ngala motor sareng nuju ka tempat anu langkung luhur, margi sateuacan kemah didinya urang nuju ka dataran luhur anu aya sawah. Sapanjang jalan katembong loba nu katutupan ku getih, loba imah nu ambruk, komo nu katabrak tihang jeung teu sadar. Loba jalma menta tulung ka urang, tapi urang ogé butuh pitulung sarta kudu nyalametkeun diri. Sanggeus sababaraha waktu urang mutuskeun pikeun turun deui sarta kasampak di sabudeureun. Bangkai aya dimana-mana. Simkuring malah boga waktu pikeun sirah handap jalan ka pantai. Loba mayit di jalan jeung wangunan nu geus robah jadi lebu. Ieu dahsyat. Teu bisa nempo, urang langsung indit ka imah Mamang. Urang cicing di luar imah, sabab lini terus datang. Di imah paman mah aya kadaharan atah, jadi teu hariwang teuing lapar. Sanajan kitu, euweuh cai pisan. Kami henteu mandi sareng ngahémat suplai. Kanyataanna, salila looting hal kahiji urang nyandak kalayan kami éta botol badag cai. Dina waktu éta duit geus euweuh hargana.
5
slice of life
4632
Métode pikeun ngawétkeun dahareun ku refrigeration geus sabudeureun réwuan taun, tapi kulkas modern sorangan mangrupakeun penemuan panganyarna. Penemuan modél refrigerasi jieunan munggaran, anu katelah kulkas, diciptakeun ku William Cullen, dokter Skotlandia anu niténan yén évaporasi miboga éfék cooling dina 1720s. Ti ieu, manéhna diajar yén kadaharan bakal tahan leuwih lila lamun refrigerated, sabab baktéri teu bisa mekar dina suhu low. Nanging, dina waktos éta, penemuan kulkas ku William henteu acan dikomersilkeun atanapi henteu acan dipaténkeun. Ti saprak éta, panemuan mesin cooling parantos dilakukeun ku panemu di sababaraha nagara. Sapertos panemu Amérika, Oliver Evans, anu dina 1805 nyobian mendesain mesin pendingin nganggo uap. Élmuwan Inggris Michael Faraday ngadamel usaha anu sami dina 1820, ngagunakeun amonia cair pikeun nyababkeun pendinginan. Najan kitu, nepi ka 1834 Jacob Perkins nyieun sistem refrigerasi praktis ngagunakeun sistem komprési uap éter di 1835 sarta dipaténkeun penemuan na. The History of Kulkas lajeng catetan anjeunna salaku 'bapa kulkas', berkat penemuan kulkas.
6
technology
76
Peso salah sahiji perlengkapan alat dapur anu seukeut, tapi lila-lila mah bisa mintul. Lamun hayang boga peso nu seukeutna kawas anyar meuli, kudu bisa ngarawatna. Cara ngarawat peso ngameh teu karatan jeung terus bisa seukeut teh nyaeta, kahiji asah peso secara berkala. Saacan make peso, kudu di cek heula kaseukeutannana ku cara nyiksikan sayuran. Ku cara nyiksikan bakal apal peso nu digunakeun seukeut atawa geus mintul. Kadua, ngasah peso kudu bener. Samemeh diasah, peso kudu dibere minyak kalapa heula ngameh digesekeun kana batuna teu seret. Katilu, kumbah peso nepi ka beresih saberes digunakeun. Ngumbah peso bisa make sabun cuci piring jeung ngabilasna make cai haneut. Nu terakhir, simpen peso di tempat anu tepat. Bisa di jero laci lomari atawa lomari dapur.
0
food & beverages
4993
Termos nyaeta wadah cai nu bisa nahan panas cai nepi ka sababaraha jam lilana. Termos aya dua lapis, lapisan luarna plastik, sedengkeun lapisan jerona nyaeta kaca dua lapis nu boga ruang hampa antara sisi jeung tengahna. Tah eta nu mantak ieu termos mun dieusian cai panas teh sok awet, da uap panas na teu bijil kaluar, angger we cicing di jero. Mun baheula mah hoyong cai panas teh kudu ngadadak naheur, ayeuna mah tinggal naheur sakali bus we asupkeun kana termos. Dugi ka sapopoe ge pasti bakal panas wae eta cai asal nutup na sing bener-bener rapet. Dari pada naheuran wae cai, yuk ah mending rajin ngeusian termos. Salian ngirit gas, oge ngirit waktu jang naheur cai.
0
food & beverages
8836
Libur sakola ieu, bapa kuring ngajak kuring lalajo pertandingan sepak bola tim favoritna di stadion di kota urang. Urang mangkat ti bumi jam tilu soré sanggeus solat Asar. Kuring jeung bapa angkat sareng rerencangan bapa anu sanés, nganggo saragam anu sami sareng naék beus séwaan babarengan. Tapi di tengah-tengah jalan ujug-ujug macet alatan kacilakaan motor, wayahna urang jeung bapa urang ngan bisa diuk ngadagoan satengah jam nepi ka jalan lancar deui. Kabeneran urang teu telat pikeun lalajo kaulinan, sarta bisa diuk di tengah stadion. Kuring bungah pisan, ningali tim favorit bapa meunangkeun eta pertandingan, sareng bagja ningali bapa anu ogé bagja kusabab tim favoritna meunangkeun pertandingan.
1
sports
2800
Seuseuh listrik anu diwangun di bumi biasana sakitar 2500–3990 watt janten kuring henteu nyangka yén wattage rendah tiasa kalebet dina jawaban ieu. Gumantung kana naon anu biasana anjeun masak, panginten anjeun tiasa mikirkeun jinis portabel sabab biasana sakitar 1200–1500 watt. Upami anjeun masang kueh, peryogi suhu sakitar 160-175 derajat Celsius, janten kamungkinan portabel masih tiasa dianggo, sanaos tangtos kapasitasna henteu ageung sapertos oven anu dipasang. Pikeun roti mindeng diperlukeun di luhur 190–220 malah pikeun pizza ngahontal 250 derajat harga diwangun dina oven lamun aya promo meureun sabudeureun 4,5 juta nepi ka 8 juta pikeun merek ilahar kapanggih di Indonésia sarta bisa leuwih lamun aya tambahan lianna. fitur sedengkeun oven portabel mimitian ti 2 juta Kuring sorangan biasa ngagunakeun oven listrik, ngan di tempat anyar kuring sabab listrik di imah teu badag (2200 watt) jadi kuring ngagunakeun built in gas oven. Seuseuh gas anu diwangun rada langkung mahal tibatan anu listrik, tangtosna tiasa ngahémat listrik
6
technology
8819
Matras olahraga nyaéta bantal dina wangun pasagi anu ditempatkeun dina lantai, tikar biasana sok dipaké ku aktivis olahraga pikeun ngagunakeun senam lantai. Matras lantai boga ciri sorangan, bahan anu biasana dipaké nyaéta karét busa anu ukuranana 1,20 x 2 méter atawa 1,20 x 3 méter. Alesan pikeun milih bahan tina busa karét atanapi spons pikeun tikar senam lantai sabab bahan ieu condong elastis sareng henteu gancang ngalembut supados élastisitasna dijaga. Ku kituna, nalika dipaké pikeun latihan lantai, jenis matras ieu bakal balik deui ka bentuk aslina. Karét busa dibungkus ku lawon atawa linen atawa kulit sintétik sangkan teu gampang kotor. Alas senam lantai ieu ngabogaan kandelna antara 10 nepi ka 15 cm nurutkeun fungsina pikeun mantuan ngagampangkeun unggal gerakan senam.
1
sports
6505
Babaturan teh jadi salah sahiji hal anu kudu disyukuri ayana. Tah dina ngajalin hubungan babaturan teh kudu lakukeun tilu hal ieu supaya tetep awet. Nu kahiji nyaeta jalin komunikasi nu alus, ulah nepi ka ngan komunikasi mun aya butuhna hungkul, komo nepi ka jarang aya komunikasi pisan mah. Nu kadua nyaeta kedah saling percaya. Hal ieu teh penting pisan sabab bisa nangtukeun lilana jeung kapercayaan ka babaturan. Mun kapercayaan geus euweuh mah sok babari diadukeun ku batur. Nu katilu nyaeta sering ngalakukeun hal-hal babarengan. Biasana ku babarengan mah sagalana ge sok ngabentuk kemistri nu alus, jadi moal mungkin aya silih sangka atawa salah paham.
5
slice of life
4240
Kolintang nyaeta alat musik tradisional ti Minahasa Sulawesi utara. Alat musik Kolintang bisa di tingali ku wangunna anu unik, nyaéta runtuyan bilah kai anu disusun dina rak kalayan ukuran sabeulah anu ngurangan. Kolintang nyaéta salah sahiji alat musik tradisional masarakat Minahasa di Sulawesi Utara. Alat musik ieu dijieun tina kai husus anu disusun jeung dimaénkeun ku cara diteunggeul. Kolintang hampir sarua jeung alat musik gambang ti Jawa, tapi bédana nada anu dihasilkeun leuwih lengkep jeung cara maénna rada béda. Kolintang nyaéta pakakas musik tradisional anu cukup dipikawanoh di masarakat Minahasa, sarta mindeng dipaké pikeun marengan upacara adat, pintonan tari, iringan nyanyi, komo pintonan musik
4
culture & heritage
5070
Cara supaya liburan urang leuwih berkesan kebesamaan na jeung babaturan. Kahiji, urang ajak babaturan urang jang liburan ka tempat wisata alam. Kadua, ajakan babaturan urang camping di tempat nu euweuh sinyal. Mun tempat liburan na hese sinyal mah bakal loba ngobrol tibatan ngoprek hape. Tah eta teh jadi salah sahiji trik supaya liburan urang teh leuwih karasa kebersamaan na. Nu katilu nyaeta fokus kana quality time. Jauhkeun hape tina saku, mun tiasa mah pareuman we. Tuluy urang eusian waktu ku ngobrol atawa ngalakukeun kagiatan bareng salila liburan. Hargai waktu kebersamaan sabab urang teu pernah apal iraha bakal bisa babarengan deui jeung babaturan urang.
2
leisures
6643
Di antara sadaya pasakan Sunda anu didamel tina sayuran. Abdi paling teu resep ngadahar karedok leunca. Basa kempel buka puasa sasarengan di bumi nini, abdi ditawisan emam karedok leunca, saurna mah ngeunah cenah, janten abdi nyobian nyandak karedok leunca ka piring abdi. Pas dicobian singhoreng rasana aneh sabab eta leunca na atah keneh jaba lada pisan jeung pahang lantaran bungbuna make cikur. Karedok leunca ieu rasana rada pait. Biasana jalmi anu resep ngadahar karedok leunca daharna langsung dina coetna, langsung dicampurkeun jeung sangu ditambih kurupuk. Pas abdi nyobian karedok leunca abdi teu tiasa nyeepkeun sadayana, karek oge sahuap langsung hoyong utah lantaran rasana anu teu paruguh. Abdi sabenerna hoyong tiasa emam karedok leunca supados tiasa ngalestarikeun kadaharan Sunda.
0
food & beverages
1847
konsep All You Can Eat di Spanyol. Oke..di dieu mah bedana ibarat bumi jeung langit..mun rek di bandingkeun AYCE di Spanyol jeung Indonesia. Upami All You Can Eat Indonesia mah gaduh kesan anu mewah kalayan seueur tuangeun jeung inumeun. upami di spayol mah versi All you can eat teh murah meriah atanapi sabenerna di spanyol mah ngan restoran cina biasa, ngan konsepna emam sapuasna, sawaregna, sanajan anu aya di mall jeung interiorna restorana lumayan, tapi makananna bénten téh sami saréng réstoran All You Can eat anu sanés.Diditu mah lolobana kadaharan ti Cina... mie goreng, pangsit goreng, lumpia, seafood, nasi goreng jeung sajabana. Pikeun camilan aya buah irisan, buah manisan, és krim atanapi puding. Aya ogé anu dipanggang, langkung seueur seafood bakar. Harga per jalma tadina 7,5 euro..tapi teras naek ka 10eur.teu terang sabaraha ayeuna.Tong naros kumaha rasana, sabab salami kenyang ulah dibanding-bandingkeun sareng restoran cina anu biasasabab rasana pasti jauh.
0
food & beverages
141
Awal bulan Juni di kampung urang ngayakeun ziarah ka Jakarta, ziarahna ka Mbak Priuk jeung Luar Batang. Rencana saberes ziarah, rek ulin heula ka Ancol. Transportasi nu ditumpakan nyaeta beus. Beus anu di sewa teh opat beus, sabab nu ngiluna ge lobaan disebutna ibu-ibu pengajian tapi aya bapa-bapa oge ngan saeutikan. Subuh beusna karek datang, kabehna naraek di hiji tempat nu geus ditangtukeun. Urang ngahaja mawa cai mineral opat dus, ditendeunna di bagasi sisi kenca beus, penyimpananna lega. Di jero korsi beusna di bagi dua, nu kenca dua korsi, nu katuhu 3 korsi. Urang kabagean nu kenca jeung indung urang. Alhamdulillah di perjalanan lancar euweuh kendala, nepi deui ka Bandung teh peuting.
2
leisures
5729
Ngojay jadi salah sahiji olahraga anu babari dilakukeun, sabab pada dasarna mah unggal jalma pasti resep kanu ngaranna guyang. Malahan mah mun euweuh kolam renang ge barudak mah sok guyang di walungan atawa situ. Diajar ngojay na ge rata-rata autodidak, teu make teori ti guru, ngan langsung praktek we bari diajarkeun ku babaturan. Komo mun ngojay di walungan anu berjeram mah, salian kudu bisa ngojay, kudu bisa oge ngaliwatan jeram jeung ngambang na cai. Lain wae katerampilan ngojay nu diuji, tapi oge mental nu kudu kuat. Tapi saleuwihna mah olahraga ngojay masih jadi karesep sagala jalma ti baheula nepi ka ayeuna.
1
sports
4605
Televisi memang miboga mangpaat jeung unsur positip anu mangpaat pikeun pamiarsa, boh mangpaat afektif kognitif boh mangpaat psikomotor. Nanging, éta gumantung kana program anu disiarkeun dina televisi. Mangpaat anu Kognitif patali jeung pangaweruh atawa informasi jeung Kaahlian. Kajadian kognitif ngawengku warta, dialog, wawancara jeung sajabana. Mangpaat anu kadua nyaéta mangpaat afektif, nyaéta patali jeung sikep jeung émosi. Kajadian-kajadian anu biasana ngababarkeun Mangpaat afektif ieu mangrupa kajadian-kajadian anu ngajurung panyawang dina raragaboga sensitipitas sosial, perhatian ka sasama jeung sajabana. Sedengkeun pikeun kauntungan katilu nyaéta mangpaat psikomotorik, anu patali kalayan lampah sareng paripolah anu positif. Kabeh mangfaat eta bisa kawujud gumantung naon acara televisi anu di tongtona.
6
technology
1618
Di desa urang bakal ninggali pemandangan alam nu sae. Ti sawah hejo nu euweuh ujungna, pemandangan gunung nepikeun panon poe surup di desa. Pemandangan ieu gratis, urang teu kudu indit jauh siga orang kota jang meunangkeun pemandangan desa nu endah ieu. Ditambah kualitas udarana anu beresih, jadi mun nyeuseup udara teh karasa seger. Mindeng oge kadenge sora-sora manuk anu asalna ti alam, mun di kota mah geus susah ngadenge sora manuk teh da alamna ge geus asri, lolobana diganti ku gedung-gedung nu luhur. Di desa mah euweuh gedung kawas kitu. Jeung ku sabab jarang aya kendaraan, jadi teu nyebabkeun macet.
5
slice of life
6523
Mun pepelakan usum hujan teh sok resep pisan sabab sok babari tumbuh jeung sok leubeut buahna teh. Tah, di buruan abdi teh ngahaja dipelakan tangkal apluket supaya bisa didahar buahna. Geus salila dua taun teh tangkal alpuketna geus sapantaran jalma dewasa. Unggal saminggu sakali sok dibere pupuk khusus supaya leubeut jeung sehat. Tangkalna teh loba cagakan kasisi. Daunna hejo meles pisan jeung rimbun deuihan. Taun ayeuna teh mimiti buahan, buahna teh meuni leubeut pisan nepi ka dahanna kudu ditulak da bisi semplak. Jigana mun panen ge satangkal teh pasti leuwih ti lima kilo da leubeut pisan. Mun geus asak mah rek dibagikeun we ka tatangga jeung dituang we nyalira.
5
slice of life
2334
Masjid Istiqlal nyaéta hiji masjid nasional anu aya di Kota Jakarta Pusat , Daerah Khusus Ibukota Propinsi Jakarta , Indonésia . Ieu masjid mangrupa masjid panggedéna di Asia Tenggara jeung masjid panggedéna kagenep di dunya dina hal kapasitas jamaah.Diwangun pikeun miéling kamerdékaan Indonésia, masjid nasional Indonésia ieu dingaranan "Istiqlal", kecap Arab pikeun "kamerdékaan". Ieu masjid dibuka pikeun umum dina tanggal 22 Pébruari 1978. Di Jakarta, ieu masjid ayana di gigireun Istana Merdéka jeung Garéja Katedral Jakarta (Katolik) sarta ogé Garéja Immanuel (Presbyterian). Pangwangunan masjid ieu digagas ku Présidén Républik Indonésia waktu éta, Soekarno jeung Peletakan batu munggaran pikeun tanda dimimitianna pangwangunan masjid ieu ogé dilaksanakeun ku Soekarno-présidén kahiji Indonésia-dina 24 Agustus 1961. proyék masjid dirancang ku Friedrich Silaban, putra pendeta Lutheran tradisional anu leuwih dipikawanoh salaku Huria Kristen Batak Protestan. Desain masjid ieu mawa téma "Ketuhanan".
3
religion
1586
Salian kudu nyiapkeun dahareun, obat-obatan oge penting disiapkeun mun nyanghareupan kondisi bencana alam. Obat resep jeung obat eceran kudu diasupkeun kana kotak perlengkapan. Tambahkeun oge peralatan P3K nu eusina teh es batu instan, perban, salep antiseptik, gunting, plester peralatan jait raheut, jeung nu sejenna. Lantaran pas bencana, urang teu apal kondisi urang engkena kumaha, sukur-sukur masih keneh jagjag, tapi mun getihan kumaha? Matakan kudu mawa obat-obatan teh jang kondisi kieu, sahenteuna mun urang getihan keuna dampak tina bencana, urang bisa ngalakukeun pengobatan pertama samemeh dirawat ku ahlina. Ngameh getihan anu di derita oge teu nambahan parah ari ku urang geus diubaran mah.
5
slice of life
2675
Waktu keur SMA, kuring miluan ekstrakurikuler penca silat Merpati Putih. Anu jadi sabab kuring kagum ningali demonstrasi ngarencah keun barang-barang sapertos patung logam, tuang semén, sareng blok és. Sareng demonstrasi kakuatan tanaga dalam anu dianggo pikeun ngadeteksi lokasi barang jeung bisa mentalkeun barang jeung nu pernah kalaokanan ku panon mah nyaeta ngabeledagkeun jalma katukang mani tarik. Waktu harita nu keur demonstrasi teh lanceuk palatih kuring, kaayaan panonna ditutup (panonna diplester + make tutup panon + lawon hideung) bisa ngabedakeun warna balon nu bakal pegat. Anjeunna oge bisa maca nameplates pamilon orientasi jeung panon na ditutup. Hanjakal kuring teu acan latihan Merpati Putih saprak kuring asup kuliah.
1
sports
8278
Dyah ngamimitian usaha nyieun produk tina lawon anyaman lurik khas Yogyakarta. KaLu, singgetan tina "Katun Lurik", dipilih ku Dyah lantaran dianggap basajan tur gampang diinget. Lalampahan ngawangun usaha anu dilalui ku Dyah henteu gampang. Anjeunna mimiti nyobian ngalakukeun bisnis ti imah. Gagasan nyieun produk lurik teh lantaran manehna cicing di Yogyakarta sarta ningali poténsi anu gede pikeun nyieun rupa-rupa kreasi lawon gaya Yogya ieu. Nurutkeun Dyah, ilham datang nalika manehna nempo baju endah dijieunna tina bahan lurik dina majalah. Lalampahan KaLu oge lain tanpa tangtangan. Anjeunna geus ngaliwatan naek jeung turun. Kalayan modal anu terbatas, Dyah tetep optimis yen usaha anu dijalankeunana bakal ngabuahkan hasil.
7
business
3069
Tong ngabeakeun teuing sabab kagoda ku harga anu murah. Ieu ampir dilakukeun ku kalolobaan jalma anu hoyong nyimpen artos. Ku ngagaleuh seueur barang, aranjeunna panginten bakal langkung mirah. Promo sapertos kieu biasana aya nalika urang balanja di supermarkét. Aya seueur produk anu promosi, contona "Beuli 2 Gratis 1". Langkung sae, sateuacan ngagaleuh produk promo, pikirkeun heula naha éta kabutuhan atanapi henteu? Upami teu kitu, naha meuli teuing? Kumaha réaksi anjeun nalika ningali barang diskon di mall? Tangtu anjeun moal ngan malire eta. Tapi, éta sababna anjeun rada boros. Sanajan teu salawasna, kadang loba diskon sabenerna ngan hiji bubu keur urang. Nalika urang digolongkeun kana bubu diskon, deui urang bakal meuli loba hal anu teu diperlukeun.
7
business
995
Salian smartphone, aya oge teknologi smartwatch. Smartwatch ieu jam tangan pinter anu teu ngan saukur jang ninggali jam, tapi bisa ngadeteksi denyut jantung, sare sabaraha jam, oge loba fitur-fitur nu sejenna. Smartwatch ieu kapake pisan ku urang komo deui pas olahraga, di mana fiturna teh urang bakal apal sabaraha lila olahraga, jeung sabaraha jauh urang olahraga, kaasup kalori nu geus ka piceun salila olahraga eta. Ieu oge berguna pisan di mana mun urang loba diuk, smartwatch bakal ngingetan urang jang gerak unggal sajam sakali. Jeung urang oge mun olahraga teu kudu mawa smartphone, cukup mawa smartwatch, soalna tiap panggilan atawa pesan WA bakal asup kana smartwatch, urang oge bisa langsung ngabalesna ngaliwatan smartwatch.
6
technology
7128
Rumah Gadang nyaeta ngaran imah adat Minangkabau. Rumah Gadang asalna ti Propinsi Sumatera Barat. Rumah Gadang mangrupa salah sahiji imah adat anu gaduh ciri unik anu masih lestari nepi ka kiwari. Rumah Gadang sok disebut oge Rumah Godang, Bagonjong, jeung Baanjuang. Imah adat Minangkabau boga kaunikan anu aya dina wangun wangunanna. Wangun puncak hateupna mancung siga bentuk tanduk kebo. Hateup Imah Gadang anu melengkung jeung runcing biasa disebut Gonjong. Jaman baheula, hateup anu sekeut dijieun tina serat palem anu bisa tahan salila puluhan taun. Sanajan kitu, ayeuna hateup Rumah Gadang geus loba robah bahan ngagunakeun hateup seng. Imah adat Minangkabau wangunna segi empat sarta diwangun ku dua bagian, nyaeta hareup jeung tukang.
4
culture & heritage
8841
Kaulinan anu dipikaresep pisan ku Dina nyaéta kaulinan masak. Dina resep pisan kaulinan masak. Tina kaulinan masak Dina diajar seueur hal, anjeunna diajar kumaha masak anu leres, Din ogé diajar strategi sareng manajemén waktos dina kagiatan masak. Ampir unggal poe Dina sok maen masak di hp bapana, jadi lamun bapana jauh, Dina sok bosen lantaran teu bisa maen game nu dipikaresepna. Tapi Dina gaduh solusi anu sanés, nyaéta maén mamasakan nyaan di luar bumina sareng réréncangan ti komplek. Sanaos teu seru sapertos maen hp, maen masak oge lumayan nyenangkeun, sareng tiasa ngubaran kasedih sangkan teu bisa maen mamasakan tina hp.
6
technology
7662
Lamun urang bade nyobian bisnis, jualan dina aplikasi tiasa janten salah sahiji pilihan. Jualan dina aplikasi teh gampil pisan. Urang tinggal ngadamel akun sorangan teras ngirim poto dagangan urang dina aplikasi. Saatos eta urang tiasa masarkeun dagangan urang di sosial media urang supados seeur anu apal yen urang teh boga jualeun. Urang tinggal ngantosan jalmi anu meser, lamun aya nu meser, urang tinggal nyiapkeun kanggo ngirimkeun barang urang ka nu meser, teras mawa barang eta ka tempat anu bakal ngirimkeun barang urang, atawa bisa wae urang sorangan anu ngirim barangna ka konsumen. Duit hasil jualan eta bakal dipasihan heula ka aplikasi sateuacan dikirimkeun ka urang.
7
business
2237
Tahlilan mangrupa tradisi Islam Nusantara anu boga tujuan pikeun ngedalkeun rasa simpati jeung empati ka kulawarga anu geus katarajang maot. Tahlilan mangrupa tradisi syar'i. Atawa dina basa sejen, tahlilan mangrupa syariat tradisional. Asal kecap "Tahlilan" ti basa Arab nyaeta Tahlil nu hartina maca kalimat Laillahailallah. Upacara tahlilan mangrupa prakték dina abad peralihan nu dilaksanakeun ku jalma-jalma nu kakara ngagem agama Islam, tapi teu bisa ninggalkeun kabiasaan heubeul. Tahlilan biasana nepika tujuh poé ti maotna hiji jalmi. Aya oge tahlilan anu opat puluh poé dugi ka saratus poé. Jaman kiwari ngalakukeun tahlilan teu sakabehna ngalaksanakeun. Aya sababaraha jalmi anu ngalakukeun tergantung kana kapercayaan sareng kamampuan na.
3
religion
8888
Nalika indung kuring mimiti ngagaleuh oven, urang panasaran pisan pikeun nyobian nganggo éta oven teh, urang parantos ngabayangkeun yén urang bakal ngadamel seueur tuangeun nganggo éta. Dina hiji poe kuring rek nyieun kueh make oven eta, kuring nyieun adonan kueh heula, sanggeus eta loyang oge diolesan ku mentega. Sanggeus ngasupkeun jajan jeung nungguan sakeudeung, ujug-ujug listrik di imah pareum kabeh. Tétéla éta disababkeun ku oven kuring dipaké, sigana oven eta ngagunakeun loba listrik. Ku kituna kuring teu mungkas nepi ngagunakeun oven dipindahkeun kana loyang jeung ngukus kue jadi gantina. Saprak harita kuring teu hayang deui make oven eta, sieun lamun aya kajadian nu teu dihoyongkeun.
6
technology
7160
Suku di Kalimantan aya tilu, nyaeta Banjar, Dayak, jeung Melayu. Sadayana boga senjata has anu disebut mandau. Dina kahirupan sapopoe pakarang ieu teu bisa leupas tina nu bogana. Hartina, ka mana wae manehna indit, mandau teh sok dibabawa ka mamana ku sabab eta senjata oge boga fungsi minangka lambang jalma (kahormatan jeung jati diri). Jaman baheula, mandau dianggap boga unsur magis jeung ngan dipake pikeun acara ritual nu tangtu kayaning: perang, moro sirah, janten alat tari tradisional, jeung alat upacara. Suku Dayak jeung mandauna katelah ahli perang, maranehna ngalawan bangsa sejen anu datang ka Pulo Kalimantan, kaasup bangsa Malayu jeung bangsa Austronesia.
4
culture & heritage
8659
Salamet di gunung mangrupikeun pangalaman anu sesah sareng nguji wates daya tahan fisik sareng mental. Jalma anu ngalaman kaayaan kawas ieu bisa ngarasakeun rupa-rupa parasaan, kayaning panik, sieun, katiisan, kacapean, lapar, haus, sarta ngarasa terasing ti dunya luar. Maranehna kudu diajar nyanghareupan rupa-rupa tangtangan anu timbul di gurun, saperti cuaca anu ekstrim, rupa bumi anu hese, kakurangan dahareun jeung cai, jeung bahaya ti sato liar jeung tutuwuhan nu ngabahayakeun. Sanajan kitu, nalika ngatur salamet, hiji bisa ngarasakeun rasa reueus hebat sarta rasa prestasi. Pangalaman ieu oge tiasa ngajarkeun jalma pikeun langkung ngahargaan kahirupan sareng sadar yen manusa estu ngan ukur mahluk leutik dina nyanghareupan kakuatan alam anu ageung sapertos kitu.
5
slice of life
5895
Ayeuna mah mun ka ATM teh teu kedah ngangge kartu ge tiasa, jadi kur cukup mawa hape hungkul. Sabab ayeuna mah tiasa ngambil acis ngangge cardless, kur dikontrol tina hape hungkul. Teknologi canggih jiga kieu teh tos aya di sababaraha ATM di saluruh wilayah Indonesia. Mun abdi rek tarik tunai ge ayeuna mah teu kudu riweuh mawa kartu, tinggal eusikeun we nomor kode penarikan nana nu aya dina mbanking. Biasana mah abdi sok ngahajakeun tara mawa kartu da hese mawana, ayeuna mah deuihan aha teknologi tina smartphone iyeuh nu bisa ngendalikeun mbanking di mana wae jeung iraha wae rek dipakena.
6
technology
4753
Tips lamun keur rugi aya deui nyaeta tuluy inovasi, Invoasi mangrupa hiji ciri urang daek keur tuluy di ajar. Sakumaha sarua jeug prinsip pangusaha nyaeta kudud terus daek di ajar jeung kudu terus inovasi milu kana perkembangan jaman, urang ulah babari nyerah sanajan roda hirup aya di handap, lain hartina hirup geus rengse. Justru ieu mangrupakeun waktu keur urang bangun deui jeung ngamimitian anu karek ti mimiti. Saha anu terang awal anyar ieu bakal ngajadikeun hirup anjeun langkung alus tibatan samemehna. Pikeun meunangkeun jeung neangan deui kasempetan bisnis atawa usahana, urang bisa ningali naon anu ayeuna keur tren di pasar kumaha. Urang oge bisa ngotektak media sosial jeung neangan naon anu diomongkeun jeung ngabetot ku jalma-jalma, tuluy anggap salaku ide dasar, modifikasi jeung ngamekarkeun nana ku inovasi.
7
business
153
Sabda Alam Garut, baheula kadinya jeung kulawarga oge dulur-dulur naek kana mobil. Sabda Alam Garut teh nyaeta waterpark tapi caina panas. Tempatna lega jeung bisa ninggalian pemandangan anu harejo, tangkal kalapa jeung sawah. Harga tiketna Rp 60.000, aya loker oge nu warna-warni, aya warna biru jeung warna koneng, tapi kudu mayar deui Rp 30.000. Tamanna lega pisan jeung beresih. Tong sampahna aya di tiap juru jadi teu katingali sampah nu paburencay. Tuluy aya taman jang ulin budak leutik. Di gigirna aya tukang jualan. Ruang bilas oge loba pisan jeung beresih-beresih. Tuluy aya gazebo nu haratis teu kudu mayar deui. Lamun kadieu paling rame kolam ombakna. Salian kolam renang panas, aya oge taman manuk nu rupa-rupa manuk ti rupa-rupa daerah.
2
leisures
7409
Mimitina olahraga suluncur dina salju atawa snowboarding ieu dikembangkeun di Amerika Serikat kira-kira taun 1960-an jueng populer di taun 2006. Malahan, snowboarding mimiti asup kana olahraga anu dilombakeun dina Olimpiade usum tiis 1988 anu diayakeun di Nagano, Jepang. Snowboarding nyaeta olahraga usum tiis dimana urang naek kana papan luncur di luhureun lamping anu katutupan salju. Aya sababaraha tempat anu janten paporit pikeun para peselancar salju nyaeta Gunung Es di Amerika sapertos Whistler Blackcomb di Kanada, nu mangrupa pilihan utama pikeun peselancar salju. Olahraga ieu kaasup olahraga ekstrim atawa bahaya lantaran urang kedah ngalakukeun ieu di luhur gunung salju anu cuacana tiris jeung dina luhureun tumpukan es anu licin.
1
sports
3938
Wisata alam gunung galunggung termasuk wisata alam anu favorite di tasikmalaya, teu cuma nu hobi ngadaki gunung tapi bisa aheunteu na nikmati pemadangan nu endah atawa sakedar satai-santai ngaleupas stress. Tiket asup ka wisata gunung galunggung kaasup murah, di jero na urang geus bisa nimatkeun sagala nu aya didinya bisa foto - foto di sadiakeun properti na sigaimah imahan, sapeda jeung sajabana bisa oge mun rek renang atawa maen cai. Di wisata gunung galunggung oge loba pedagang nu ngajual sagala oleh oleh muali ti baju, bantai, kain, gelang nepi ka parabot dapur saperti coet jeung mutu harga jual na oge teu pati mahal.
2
leisures
922
Rugged laptop nyaeta tipe laptop nu didesain khusus jang kabutuhan nu digunakeun pas kondisi cuaca nu ekstrim, misalna loba getaran, suhu udara ekstrim, jeung kondisi nu baseuh atawa kebul. Laptop ieu oge dijieun ku bentuk nu beda-beda. Ku kituna, rugged laptop jarang dipanggihan di pasaran. Salian ti eta, rugged laptop oge umumna dilengkepan ku keyboard nu lapisanna karet jang digunakeun di cuaca ekstrim, port konektorna oge katutup khusus, sarta layar nu caang pisan jadi bisa dipake di beurang. Sedengkeun bodi rugged laptop dina umumna dijieun tina logam campuran magnesium nu leuwih kuat mun dibandingkeun jeung laptop bodi biasa. Hardisk dina laptop ieu oge dilengkepan ku peredam getaran, jadina ngamungkinkeun digunakeun di luhur kendaraan.
6
technology
168
Ranca Upas salah sahiji tempat camping alam nu aya di Ciwidey. Camping didieu cocok lamun hayang mawa kulawarga oge, atawa mawa budak leutik. Harga asup Ranca Upas kaasup murah Rp 25.000 jang wisatawan lokal, lamun wisatawan asing Rp 44.000. Lamun rek camping mayar deui Rp 15.000 saorangna. Kunaon disebut cocok lamun mawa anak oge, sabab fasilitasna lengkep, ti toilet, gazebo, aya penyewaan tenda oge, mesjid, tempat ulin budak leutik ge aya. Tuluy geus kaasup tiket ka penangkaran rusa, jadi teu kudu mayar deui. Paling lamun hayang maraban rusa na, meuli deui parab siga wortel Rp 10.000, lamun dangdaunan mah leuwih murah Rp 5.000. Camping didieu udarana sejuk.
2
leisures
8092
Kantos rame babaraha taun katukang perkawis perdebatan game mana nu leuwih hade, antara PUBG sareng Free Fire. Seueur pendapat nu nyatakeun upami PUBG teh game nu leuwih hade kusabab babaraha alesan. Alesan-alesan nu tiasa ngiatkeun pendapat upami PUBG leuwih hade, salah sahijina grafik. Grafik di game PUBG teh leuwih alus kusabab lewih realistis dibandingkeun game Free Fire nu grafikna leuwih katempo sapertos animasi. Salian eta game PUBG ge leuwih menantang kusabab jumlah pemain dina hiji game na aya saratus, dua kali leuwih seueur ti Free Fire. Janten kitu urang kudu leuwih jago ngatur strategi supados tiasa bertahan nika ahir game.
6
technology
7030
Hasyim Asy'ari mangrupakeun saurang ulama utama jeung ulama sufi anu lahir di Kediri Jawa Timur dina warsih 1753. Dina yuswana anu ka 15 taun, Kiai Hasyim mulai hijrah pikeun diajar di sagala rupa pasantren di Indonesia. Anjeunna mangrupa pangadeg salah sahiji mazhab tasawuf nu kawentar tur boga pangaruh di Indonesia, nyaeta tasawuf Naqsyabandiyah. Hasyim Asy'ari gaduh pangaruh gede kana tumuwuhna Islam di Indonesia. Anjeunna oge seeur nyerat buku-buku ngeunaan tasawuf, sapertos "Kitab al-Zuhd" sareng "Kitab al-Tauhid". KH Hasyim Asyari ngadegkeun NU ku patunjuk ti salah saurang guruna, nyaeta KH Kholil bin Abdul Latif ti Bangkalan, Madura. Nahdlatul Ulama diadegkeun dina kaping 16 Rajab 1344 H anu bertepatan sareng 31 Januari 1926.
3
religion
3620
Sabenerna kuring oge lahir di kampung anu baheulana asri, tiis jeung leubeut, tapi ti mimiti mekarna rupa-rupa industri, laun-laun kaayaan di kampung kuring barobah, sagalana geus barobah, mimitian ti lingkungan, mata pencaharian, komo sikep. jeung karakteristik warga. Kapungkur, jaman alit, tiasa ningali gugusan béntang, teu kedah jauh-jauh ka Bromo atanapi ka gunung sanés, cekap aya di payuneun bumi bari ngantosan wengi. Geus cukup ku ningali gugusan béntang nu paburencay.imah bari silaturahmi jeung tatangga di tengah peuting nu poék mongkléng nu ukur caang bulan. Isuk-isuk kacida leuleuyna, mata pencaharian mayoritas pendudukna tani, leumpang anteng ka sawah, nyeduh kopi di sawah, ngaroko nepi ka kenyang, silih obrolkeun jeung salam-salaman di parapatan jalan, sabab ngaliwat. nyaho aranjeunna boss pikeun karya sorangan.
5
slice of life
482
Poe lebaran nyaeta salah sahiji upacara kaagamaan nu diayakeun sataun sakali. Poe lebaran ayana teh saenggeus bulan puasa. Peutingna poe lebaran biasana sok rame ku nu takbiran di masigit, ti mimiti Isya nepikeun ka adzan subuh. Kalimat nu diucapkeun teh nyaeta Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar, Laailaaha illallahu Allahu Akbar, Allahu akbar walillah Ilham. Nu takbiran teh sok lobaan teu hiji jelema wae, jadi sakali sewang ngarah teu cape oge bisa hemat tanaga jang isukna dipake poean lebaran. Lamun geus tunduh biasana diganti ku anu sejen, tuluy arurang sare dina karpet masigit, hudang-hudang teh subuh digeuingkeun tuluy geus sholat subuh mah balik ka imah jang siap-siap rek sholat idul Fitri.
3
religion
3986
Jalan jalan atawa tour lobaan jeung bareng bareng ti pabrik teh rupana pikaresepeun nya. Komo jalan jalan na jauh kieu nepi ka yogya, urang bener bener loba ningali gawe na panitia didieu pembelajaran oge keur tepat waktu, soalna aya babaraha jelema nu di tinggalkeun gara gara telat. Samemeh mangkat urang bener bener ningali heboh jeung sumangetna ibu ibu jeung barudak nu rek milu ka yogya, sagala di bawa dahareun, camilan, minuman padahal eta kabeh ge di sadiakeun ku panitia. Aya nu mawa salmut jeung bantal oge, mikirna da ieu perjalana jauh. Di perjalanan oge urang loba ningali batur nu marabok perjalanan.
2
leisures
6647
Kebab mangrupakeun kadaharan anu asal na ti daerah Timur Tengah. Tapi saur jalmi anu tos pernah ngadahar kebab langsung di tempat asalna rasa kebab di Indonesia sareng di Timur Tengah beda pisan. Di Indonesia kebab didamel ti kulit kebab anu dieusian sayuran salada, daging kebab jeung saos dicampur mayones. Abdi resep ngadahar kebab lantaran bentukna anu gampang dicepeng jeung gampang didaharna. Dina kebab tos aya protein tina daging sareng serat tina sayuran keung karbohidrat tina kulit kebabna, matakna abdi resep emam kebab. Tapi aya oge kebab anu dieusian daging hungkul jeung ditambihan rupi-rupi keju, nyaeta keju chedar, keju mojarela, jeung pasta keju.
0
food & beverages
5764
Basa dina kejuaraan nasional kamari, abdi ngiringan janten atlet arung jeram kontingen Jawa Tengah. Kejuaraan nasional arung jeramna digelar di Lampung. Abdi angkat ti saminggu samemeh hari H pertandingan. Abdi angkat ngangge bus kadituna sabab lobaan jeung tim putri. Salila pertandingan, lawan nu pang beuratna teh nyaeta ti kontingen Jawa Barat jeung Jambi. Tapi Alhamdulillah abdi tiasa mawa pulang medali perak tinu dua nomor pertandingan. Biasana mun kenging medali teh sok aya apresiasi ti pemerintah daerah sabab geus ngaharumkeun ngaran kontingen daerah. Jadi, abdi seneng pisan sabab di kejuaraan nasional arung jeram tain ayeuna bisa ngangkut medali jeung predikat juara umum dua kategori putra.
1
sports
7642
Jualan seblak jaman ayeuna pasti bakal laku, komo lamun seblakna ngeunah jeung pangaosna teu pati awis. Abdi gaduh hiji langganan tukang seblak ti SMA keneh. Baheula mimiti abdi meser di ditu seblakna teh seeur pisan jeung geunah, komo lamun meser sonten pas balik sakola pas hujan. Manehna teu ngan saukur ngaical seblak hungkul tapi oge aya roti bakar jeung nginuman. Salaki na oge icalan tahu bulat. Manehna icalan eta di hareupeun kontrakanna anu teu pati badag tapi seeur pisan ku barang-barang icalan. Pas abdi balik deui ka ditu, manehna tos gaduh tempat seblak nyalira anu dilengkepan ku meja sareng korsi.
7
business
443
Gambaran gempa dina Al Qur'an. Bumi mibogaan kabeungharan nu teu kaitung lobana, kaistimewaan nu gede, jeung mangpaat nu gede. Allah SWT atos ngadamel meh bisa dimangpaatkeun ku makhluk hirup. Tapi Allah ngajieun di jerona aya bencana alam jeung musibah nu karusakanna. Gempa nu bisa urang tinggali jeung denge ti waktu ka waktu sakabehna terbatas, di lokasi terbatas jeung mibogaan akibat anu terbatas. Sababaraha jelema nyangkana lamun perhitungan jeung sebab-sebab ilmiah tina gempa nu geus didugikeun ku para ahli. Maranehna ngomong ieu ngan peristiwa alam biasa nu kajadian jeung bisa dijelaskeun sacara rasional jeung ilmiah. Tapi dibalik kajadian sagala musibah, kaasup dijerona gempa bumi sok aya hikmah di jerona. Kabeh peristiwa alam semesta ieu ngan bakal kajadian ku ijin jeung takdir Allah SWT.
3
religion
4150
Kasabaran dina basa nyaéta sikep nahan émosi jeung kahayang, sarta salamet dina kaayaan susah ku cara henteu ngawadul. Kasabaran mangrupa wujud kamampuh ngadalikeun diri salaku sikep anu miboga ajén luhur sarta ngagambarkeun kateguhan jiwa hiji jalma. Langkung luhur kasabaran hiji jalma, langkung kuat anjeunna dina nyanghareupan sagala rupa masalah anu aya dina kahirupan. Sabar sorangan asalna tina kecap Arab sobaro yasbiru anu hartina sabar. Nurutkeun istilah sabar nyaeta nahan sagala kasusah, kasedih, jeung nahan diri nalika nyanghareupan hiji hal anu anjeunna teu resep. Sabar mangrupikeun kakuatan, kakuatan positip anu ngadorong jiwa pikeun ngalaksanakeun hiji kawajiban. Jeung sajaba ti eta, kasabaran teh mangrupa kakuatan anu nyegah hiji jalma tina ngalakukeun kajahatan. Sabar dina Islam miboga kautamaan jeung mangpaat anu kacida gedéna. Sabab kasabaran téh mangrupa kabiasaan mulya anu kacida dipikabutuh pikeun sakabéh jalma.
3
religion
5110
Tilu hobi nu bisa ngahasilkeun acis, simak ulasanna. Nu kahiji nyaeta fotografi. Ayeuna mah sagala bidang ngabutuhkeun fotografi, utamana keur promosi barang. Mun salira gaduh hobi fotografi, tiasa tawarkeun diri anjeun janten jasa fotografer wedding, wisuda, produk, atau sajabana. Hasil foto oge tiasa dijual daring dina website tertentu. Nu kadua nyaeta hobi nulis. Mun anjeun hobi nulis artikel, cerpen, puisi, atau sajabana, anjeun berpeluang ngahasilkeun acis ku cara ngirimkeun karya tulisan anjeun ka media massa. Pami tos dipublikasikeun, anjeun berhak kenging acisna. Nu katilu nyaeta hobi ngadesain. Mun anjeun gaduh hobi ngadesain, anjeun tiasa nawarkeun jasa desain ka perusahaan, atawa ngajual hasil desain poster di website tertentu.
2
leisures
7645
Lamun hoyong ngaical dahareun anu tos seeur diical ku emang-emang anu aya dihareupeun sakola, hartina urang kedah nyieun anu beda sareng dahareun anu biasa diical. Lanceuk abdi basa pandemi kamari icalan cimol mozarela di imah. Asalna mah lantaran ningal aya nu ngaical cimol sultan nyaeta cimol anu dieusian ku keju. Tos sababaraha kali lanceuk abdi nyobian ngadamel cimol supados tiasa dieusian keju mozarela anu bakalan leeh lamun digoreng tapi oge teu gampang bocor kejuna pas digoreng. Tungtungna mah lanceuk abdi sukses nyieun cimol keju eta. Seeur pisan tatanggi anu nyobian cimol ieu anu dihargaan lima ratus perak hijna jeung ukuranna rada badag.
7
business
7626
Kagiatan wirausaha gaduh seeur pisan mangpaat, di antarana nyaeta urang tiasa ngabuka lapangan gawe anyar. Nalika urang geus boga usaha sorangan, komo lamun usahana geus gede, maka pasti urang ngabutuhkeun jalmi anu sanes kanggo ngarojong usaha urang supados tiasa minuhan kabutuhan anu meser. Matak teu heran lamun wirausaha ieu tiasa ngajadikeun lapangan gawe anyar jeung sakaligus ngamakmurkeun masarakat. Wirausaha oge gaduh peran dina ningkatkeun tumuwuhna ekonomi lantaran kawirausahaan mah pasti bakal patali jeung ekonomi, marak lamun urang ngalakukeun wirausaha urang oge sadar teu sadar atos ngabantosan kagiatan ekonomi, boh dina minuhan kabutuhan manehna sorangan, boh minuhan kabutuhan masarakat anu meser barang.
7
business
4952
Mie rebus jadi salah sahiji tuangeun alternatif gagantos sangu sabab sarua ngandung loba karbohidrat. Mie rebus aya nu kuah aya oge nu goreng. Rasa na rupa-rupa, aya ayam bawang, kari, soto, rendang, bakso, jeung sajabana. Memang cara masak mie instan teh babari pisan, cekap ku di godog tilu menit dina panci atawa katel. Tapi, di sisi karbohidratna nu gede, mie rebus ge bakal jadi goreng lamun dituangna sering teuing mah. Bisa-bisa nimbulkeun mangrupa-rupa panyakit jiga diabetes, darah tinggi, kolesterol, jeung sajabana. Ku kituna, najan rasana nikmat tur harga na mirah, tong dugi ka hilap kana kasehatan awak sorangan. Yuk semet ti ayeuna mah kurangan nuang mie rebus teh. Kudu bisa ngajaga kasehatan awak sorangan.
0
food & beverages
9479
Ku sabab Kelana jadi rengking kahiji di sakola, liburan semester ayeuna, Kelana jeung keluargana nganjang ka Pulau Seribu. Kelana indit ti Bandung limaan make mobil pribadi. Indungna, bapakna, manehna jeung dua adina. Ti mimiti nepi ka Pulau Seribu, manehna ngarasa bungah jeung kagum kacida. Kelana ngarasa, masih aya tempat anu asri jeung alami di deukeut Jakarta. Di Pulau Seribu, manehna jeung keluarga lalayaran, snorkling, ningali rupa-rupa lauk nu hirup di laut, jeung terumbu karang anu alusna kacida. Sorena, manehna dahar seafood nu masih keneh seger. Kerang, kapiting, jeung udang jadi menu nu dipesen. Manehna ngarasa puas bisa liburan jeung keluarga di Pulau Seribu.
2
leisures
6533
Orang desa mah sok rajin ngalaksanakeun kagiatan babantu. Babantu teh nyaeta kagiatan ngabantuan tatangga atawa warga sadesa anu rek hajatan. Biasana babantu teh dilaksanakeun ti saminggu rek hajat. Saminggu rek hajat teh sok nyieunan rangginang jeung opak. Tuluy tilu poe rek hajat sok nyieunan peuyeum ketan. Tuluy sapoe samemeh hajat teh sok babantu nyieunan bumbu masak jang isukan hajatna. Mun bapak-bapak mah sapoe samemeh hajat teh sok babantu ngangkutan korsi jeung pas hari H na sok babantu narimaan beas ti tamu. Biasana mah babantu teh sok dilaksanakeun nepi ka beres hajat sabab supaya mastikeun yen nu boga hajat teh teu kateteran.
5
slice of life
5451
Carita rakyat biasana sok dijadikeun cara jang mepende budak mun rek sare, biasana dilakukeun dina kagiatan rek sare peuting. Carana nyaeta nu kahiji siapkeun budak dina kaayaan rek sare, pakekeun pakean sare jeung golerkeun dina kasur. Geus kitu, urang milihan carita nu can kacaritakeun, milihna tina carita rakyat supaya aya pesan moralna jeung aya kaanasaran barudak. Tuluy tinggal urang nyaritakeun kisahna ka budak ku cara diucapkeun rada tarik, tong laun teuing. Tuluy we urang nyarita nepi ka beres, tuluy eta buda nepi ka sarena. Biasana budak mun didongengan teh sok langsung ngarasa tunduh sabab asa dipepende. Mun tos sare, karek we urang bisa ninggalkeun tuluy bisa oge urang langsung sare.
4
culture & heritage
4176
Kuil téh tempat ibadah pikeun umat Konghucu. Panyebaran Konghucu ka Indonésia dilaksanakeun ku urang Tionghoa anu hijrah ka Indonésia. Konghucu diakuan di Indonésia babarengan jeung lima agama séjén kalawan paham kana filsafat Konghucu. Ngaran tempat ibadah pikeun agama Konghucu umumna nyaéta Miao, Bio, atawa Kelenteng. Candi-candi anu kasohor di Indonesia sapertos Candi Tay Kak Sie di Semarang, Candi Chandra Nadi di Palembang, Candi Tek Hay Kiong di Tegal, Candi Sam Poo Kong di Semarang, sareng seueur deui. fungsi candi dina kuil téh nya éta: Candi mangrupa sumber ajaran spiritual Candi mangrupa sumber lambang ajaran rupa-rupa kayakinan Candi mangrupa puseur pikeun kagiatan sosial jeung asimilasi seni Candi minangka pananda sajarah kamekaran masarakat Cina.
3
religion
4994
Dinten kamari abdi mampir ka toko bungbuahan nu kabilang lengkap. Abdi milarian buah konyal tapi teu kapendak. Buah konyal teh kasebut langka tapi aya keneh seueur di sababaraha daerah. Abdi tuluy naroskeun ka teteh nu jagana. Duh nyaan wae ieu si konyal teh teu aya, nuju teu usum jeung deuh can pernah aya di toko bungbuahan ieu mah. Atuh abdi teh langsung ninggalkeun eta toko bet ka pasar milarian konyal. Di pasar tong kukurilingan ka sadaya tukang buah ge teu aya deuih nu gaduh konyal. Naha bet langki-langki teuing ieu buah teh. Rasana amis ngeunah tapi meuni hese dipilarian teh.
0
food & beverages
974
Meresihkeun imah jadi kagiatan sapopoe nu kudu dilakukeun. Tapi teu kabeh jelema bisa ngalakukeun kagiatan eta unggal poe lantaran geus pasti cape ngalakukeun aktivitas eta sapopoe atawa keur sibuk ku kagiatan nu sejen. Jadi teu aneh mun sabagian jelema nyerahkeun tugas ieu ka asisten rumah tangga. Tapi mun ngagunakeun asisten rumah tangga kalah nyieun biaya bulanan ngabengkak. Sabab butuh biaya anu gede, tah ku kituna ngagunakeun robot asisten rumah tangga anu dirancang jang mantuan jelema dina ngajalankeun aktivitasna. Aya sababaraha jelema nu teu percaya mun robot bisa ngalakukeun kabeh hal jang meresihkeun imah. Teu ngan saukur di film hungkul, di dunia nyata wae ge robot geus mantuan loba hal jang ngababarikeun jelema.
6
technology
6508
Biasana di lembur abdi mah mun usum hujan teh sok diparengan ku hujan angin. Hujan angin na teh sok badag pisan, nepi ka loba saung jeung tatangkalan anu roboh. Hujan angin kieu teh sok terjadi unggal pisan usum hujan atawa hujan ngamimitian di pancaroba. Malah mah kantos di deukeut imah abdi aya bencana angin puting beliung, nu nyebabkeun loba pohon tumbang jeung suhunan imah saruksak. Mantakna, warga inisiatif jang merenahan tatangkalan, nutuhan tatangkalan gede nu batangna ka suhunan imah. Jeung deuih nuaran tatangkalan geus kolot nu rapuh heg ayana deukeut pemukiman. Tah ieu teh jadi salah sahiji cara pencegahan potensi bencana alam angin puting beliung terjadi deui.
5
slice of life
8029
Basket janten salah sahiji hobi nu dipikaresep ku loba jalmi di dunya. Basket teh maenna make bal nu bahanna tina karet janten eta bal dipantulkeun salila paulinan. Ukuran lapang nu dianggo keur maen basket teh nyaeta 28 kali 15 meter. Aya dua tim nu maen dina hiji pertandingan, satim diwangun ku 5 jalmi. Aturan gampilna nyaeta tiap tim kudu paloba-loba ngasupkeun bal ka na karanjang nu aya ditungtung lapang. Salian eta, lalajo pertandingan basket oge janten hobi babaraha jalmi. Aya babaraha liga nu tos kakoncara. Liga basket nu paling ka koncara di dunya nyaeta liga NBA nu aya di Amerika Serikat.
2
leisures
1929
Sanajan loba peminat udang salaku menu dahareun heuteu kaelehkeun, komodeui udang nu bisa nyieun pinuh sarta ngarasakeun daging udang nikmat. Udang bisa diolah jadi rupa-rupa jenis kadaharan anu kacida dipikabutuhna, paménta udang kacida luhurna di masarakat, komo deui geus réa warung-warung kadaharan anu dijadikeun ménu utama anu husus. Kawas udang bakar madu anu nikmat kalayan rasa anu amis sareng gurih dina daging udang. Olahan olahan olahan olahan olahan olahan madu téh mangrupa kadaharan anu ditunggu-tunggu masarakat lega lantaran gampang pisan nyieunna olahan olahan olahan olahan olahan olahan olahan olahan olahan jeung bumbu-bumbu anu kumplit, ku kituna anjeun bakalan meunang rasa anu lezat, nikmat, gurih sarta ogé lada.
0
food & beverages
2028
Dina taun kadua kuring SMA, aya hiji waktos dina kahirupan kuring dimana naek gunung "prioritas hirup". Mimitina mah kuring ngarasa éra, kuring kungsi kasasar jeung panik bari ngasurvey jalur atikan dasar para pecinta alam kelas ekstrakurikuler SMA Negeri 1 Bogor di wewengkon leuweung anu leubeut saméméh Perkebunan Teh Ciliwung Puncak. Saatos kajadian éta, kuring nekad pikeun ngasah kaahlian naek gunung kuring sareng sakedik jalma-gancang sareng kadang-kadang "nyasabkeun diri sorangan" pikeun ngalaksanakeun katenangan dina kaayaan kaayaan darurat. Tempat latihan teu jauh ti Kota Bogor, nyaéta Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango (TNGGP) anu puncakna Gunung Pangrango (3.019 meter dpl) jeung puncak Gunung Gede (2.958 meter dpl), sarta Taman Nasional Gunung Halimun Salak (TNGHS). ) jeung puncak Gunung Salak (2.211 méter dpl).
2
leisures
3879
Jamu dijieun tina bahan-bahan atawa bahan-bahan tina tutuwuhan, atawa mineral jeung sari atawa campuran eta nu geus dipaké turun-tumurun pikeun pengobatan jeung ngajaga kasehatan. khasiat jamu dina ngajaga kaséhatan. Aya sababaraha loba jenis jamu, tapi aya babaraha jenis jamu anu kasohor nyaeta Beas Kencur, Kunyit asem jung jamu pahitan Brotowali. Mun soal rasa rata rata jamu teu ngeunah, rasa na ada saeutik bau na sigana gara gaar bahan baku rempah rempah ti tutuwuhan nana. Tapi rasa teu enak ieu mangfaat pisan keur kasehatan awak jeung bisa jadi vitamin keur ngajaga kasehatan ameh teu babari gering. Cara nyieun jamu umum na sarua nyaeta ngagodok rempah rempah tutuwuhan make cai terus di peres, Jamu bisa di inum sesuai kahayang lamun rek amis tinggal di tambahan gula atawa madu.
0
food & beverages
6655
Abdi kirang resep minuman anu rasana amis teuing. Biasana minuman bungkusan nu diical make gelas kangdungan gula na seeur pisan. Masalahna gula anu dipake teh sanes gula asli tapi gula jieunan jalmi. Minuman sapertos ale-ale, atawa nteh anu seeur rupi-rupi rasana biasana kirang sae kanggo kasehatan. Tipada meser minuman amis kitu, mending oge ngadamel cai enteh nyalira di bumi atanapi meser cai biasa wae. Minuman anu dibungkus make gelas plastik biasana ngandung pangawet jeung pawarna. Aya nu warna bereum, warna koneng, jeung warna coklat. Rasa minuman anu ngandung gula biang biasana amis teing teras nyangked dina letah. Kadang-kadang minuman anu aya warnaan oge sok napel dina letah.
0
food & beverages
5468
Di antara kabeh bungbuahan, aya hiji bungbuahan nu usumna teh teu lila, nyaeta rambutan. Buah rambutan teh mangrupakeun bugbuahan khas daerah Subang. Mun ngadangu rabutan, pasti weh langsung ngeuh na ka Subang. Rambutan teh ayana mun akhir tan dugi ka triwulan mimiti taun. Rambutan biasana dijual ku cara digedeng. Disusun ngarambat ka luhur tuluy diluhurna didaunan. Biasana sagedeng teh aya dua pocong. Tah nu jadi khas tina rabutan ieu nyaeta cara ngemas ngajualna, digedeng. Teu saeutik wisatawan nu beres jalan-jalan atawa sakadar lewat ka Subang, mareuli ieu rambutan jang oleh-oleh. Rasana nu amis jeung bentukna nu unik ngajadikeun ieu hiji oleh-oleh nu diboro-boro ku sabagean besar masyarakat.
4
culture & heritage
8034
Bu RT gaduh panyawat jantung, minggu kamari dicandak ka rumah sakit kusabab kumat. Ceuk dokter Bu RT kudu ngajaga tekanan darah sareng aktivitas fisik. Awakna kudu digerakkeun jang kagiatan nu ngalatih otot jantung atawa disebatna kardio. Dokter nyarankeun ka Bu RT jang lempang unggal isuk salila minimal tilu puluh menit. Dokter nyarankeun ieu kusabab bu RT tos rada sepuh janten teu tiasa olahraga nu berat-berat sapertos lari atawa senam. Janten ayeuna unggal isuk teh Bu RT katingal sok lelempangan di jalan sisieun sawah dibaturan ku incu-incuna. Saatos mulai kabiasaan eta ayeuna panyawatna tara kumat deui kusabab rutin oge dicek sareng ngajaga pola hidup.
1
sports
5077
Mun jeung pun raka, abdi sok ka pasar kaget di jalan baru unggal poe Minggu isuk-isuk. Kadituna sok ngangge motor we da nga duaan. Pasar kagetna digelar di jalan baru minuhan kenca katuhu jalan. Aya tukang dahareun, tukang pakean, tukang parabot, jeung sajana. Sagala tukang dagang teh aya didieu mah. Hargana oge kabilang marirah, beda jeung d tempat sejen. Abdi biasana meser emameun di pasar nu ujung, paling tonggoh supaya bisa bari nikmati pamandangan pasawahan. Parkiranna aya di hiji tempat, hapir paling ujung tonggoh pasar kaget. Biasana pasar kaget digelar ti jam tujuh dugi ka jam sabelasan. Mun tos lohor mah tos teu aya pisan nu dagang, kembali deui jiga kaayaan semula.
2
leisures
3873
Bakso nyaéta kadaharan has Indonésia anu dipikaresep ku loba jalma. Istilah bakso asalna tina basa Hokkien, kulawarga basa di Cina jeung basa utama masarakat Propinsi Fujian. Naha disebut bakso? Sabab, asalna tina kecap 'bak' nu hartina daging, jeung 'so' dina basa Hokkien hartina kuah. Bakso dijieun tina daging dina bentuk buleud tuluy digodog terus di sajikeun jeung kaldu. Tapi ayeuna aya deui varian bakso, aya bakso halus, bakso kasar, bakso daging, bakso urat, bakso endog, bakso keju. Bakso ogé ayeuna lain ukur dijieun tina daging, aya ogé bakso vegetarian dijieun tina sayuran sarta aya bakso aci. Bakso ogé gampang kapanggih di mana waé, malah ayeuna bakso bisa diawetkeun jeung didahar iraha waé jeung dimana waé. Bakso na di bungkus ku vakum terus di tiis keun atawa di frozen.
0
food & beverages
5482
Alat musik gamelan teh salah sahiji alat usik tradisional nu maish eksis dugi ka ayeuna. Jumlah pemain gamelan makin kadieu makin loba wae. Biasana di unggal sakola ge sok aya ekskul seni budaya nu ngawajibkeun diajar maen gamelan. Maen gamelan teh salah sahiji cara nikmati seni musik nu syahdu. Di Sunda, musik gamelan teh sok dipake ngiringan sinden atawa tari jaipongan. Dina kancan nasional ge gamelan sok dipentaskeun dina nyambut acara-acara penting atawa nyambut acara nu digelar jang ucapan selamat datang ka tamu kahormatan Republik Indonesia. Gamelan oge jadi salah sahiji warisan budaya dunia nu ditetapkeun ku UNESCO. Ku kituna, hayu urang rawat babarengan eksistensi ieu gamelan!
4
culture & heritage
3884
Teh telang atawa kembang bulao anu biasana naék pager imah pikeun ngahias jeung ngahias pakarangan, sabenerna miboga sajuta mangpaat pikeun kaséhatan manusa. Teh kembang telang boga loba mangfaat nyaeta bisa ngalawan épék diabetes, alus pikeun kaséhatan jantung, bisa ngalawan setrésjeung déprési sarta bisa ningkatkeun kaséhatan otak jeung sajabana. Sabenerna aya dua cara urang mun rek minum teh telang, bisa meuli nu ges jadi tuluy tinggal minum bisa di panggihan di cafe atawa depot jamu jeung bisa oge lamun rek meuli ramuan kembang telang na nu ges di garingkeun anu harga na kurang leuwih tili puluh lima rebu rupiah sabungkus. Dina sabugkus eta bisa di pake dua nepi ka 5 kali nyeduh.
0
food & beverages
3557
Ieu anu nyababkeun tatanggana saling curiga sababaraha taun saatos urang pindah ka bumi énggal. Hiji mangsa nalika balik ka imah ti solat subuh di masjid, bapa kuring bau pisan bau di gapura imah urang. Soré kuring ningali aya kantong kantong plastik anu robek dina talang gigireun gerbang imah. Jeung eusina pinuh ku sial manusa! sacara harfiah! Kuring langsung lapor ka kolot kuring jeung kolot kuring geus nyaho. Sababaraha poé sanggeus éta kajadian deui, sababaraha kali! Nepi ka kajadian nu pangheubeulna, kantong pelastik nu pinuh ku kokotor teh dicobek ku anjing tatangga urang nepi ka sumebar di tengah jalan. Bapa curiga ka jalma-jalma nu nyéwa hareupeun imah, wc umum didinya rusak.
5
slice of life
9460
Hiji pasangan, Maria jeung Rian, indit liburan ka Paris. Aranjeunna bungah ngajalajah kota romantis sareng ngarasakeun sagala kaendahan anu ditawarkeun. Satepina di Paris, aranjeunna langsung ka hotel anu parantos dipesen sateuacanna. Hotel ieu deukeut ka Menara Eiffel, ngarah gampang lamun maranehna rek jalan-jalan di sabudeureunna. Maria jeung Rian bener kagum ku Menara Eiffel anu megah. Aranjeunna kaget nalika ningali pamandangan Paris anu endah ti luhur manara. Sanggeus eta, maranehna leumpang di sabudeureun menara, ngarasakeun suasana romantis peuting di dinya. Balik ka hotel, Maria jeung Rian ngarasa takjub ku fasilitas jeung palayanan ti hotel eta. Ti mimiti restoran anu miboga suasana mewah, kadaharan nu ngeunah, jeung fasilitas kamar anu lengkep tur bisa minuhan sagala kabutuhan maranehna. Rian jeugn Maria ngarasa hotel di Paris jadi salah sahiji hotel anu paling alus tur mewah anu pernah maranehna anjangan.
2
leisures
8867
Lalakon pun biang nalika keur budak matak pikaseurieun. Pun biang pernah ngadongkeun pangalaman basa keur budak diajak nonton TV di alun-alun desa ku pun uwa. Jaman harita di desa can aya nu gaduh TV. Jadi mun rek nongton teh kudu ka alun -alun desa. Jeung nongtona teh ukur tiwengi da ti siang mah teu aya siaran. Kacaturkeun harita pun biang jeung pun Uwa keur pogot nongton salah sahiji acara dina TV. Keur raramena pisan, ujug-ujug breg hujan ngagebret. Atuh nu keur narongton teh bubar kaasup pun Uwa. Langsung sarerea pada mulang ka imah sewang-sewangan kaasup pun biang sareng pun Uwa. Tepi ka bumi pun biang kacida hanjeluna lantaran nongtona teu anggeus. Untung na pun Uwa gaduh radio alit jadi pun biang kabebenjokeun teu terus kuciwa.
6
technology