diff --git "a/validation/sun.jsonl" "b/validation/sun.jsonl" new file mode 100644--- /dev/null +++ "b/validation/sun.jsonl" @@ -0,0 +1,468 @@ +{"id": "74", "text": "Alat masak tinu bahan awi katingalina estetik, jeung hargana cenderung leuwih murah tibatan jeung bahan nu sejenna, siga bahan silikon. Make bahan awi oge leuwih ramah lingkungan sabab bisa didaur ulang. Ngeunahna oge bahan awi teh bisa tahan panas, jadi lamun make bahan logam, gagangna teh sok karasa panas. Beda jeung bahan awi, rek dicicingkeun dina suhu panas, alat masak awi moal leeh, ancur, jeung panas. Jadi leuwih aman digunakeun pas keur masak. Bahan awi oge ramah lingkungan sabab awi mangrupakeun bahan alam nu bisa terurai, jeung euweuh racun. Salian ti eta, bahan awi oge kuat pisan jeung tahan lila asal dirawat ku cara nu bener.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2314", "text": "Panghasilan/panghasilan zakat nishab dina taun 2022 nyaéta 85 gram emas atawa sarua jeung Rp 79.292.978 (tujuh puluh salapan juta dua ratus salapan puluh dua rébu salapan ratus tujuh puluh dalapan rupiah) per taun atawa Rp 6.607.748 (genep juta genep ratus tujuh rebu tujuh ratus opat puluh dalapan rupiah). ) per bulan. Dina prakna, zakat panghasilan bisa dibayar unggal bulan kalayan nilai nishab bulanan sarua jeung nilai saperdua belas tina 85 gram emas (sakumaha ditémbongkeun di luhur) kalawan laju 2,5%. Jadi lamun panghasilan unggal bulan geus ngaleuwihan nilai nishab bulanan, zakat kudu dikaluarkeun dina jumlah 2,5% tina panghasilan nu bersih di taun eta.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "589", "text": "Peran tokoh adat dina pamarentahan kampung masih can dilakukeun sacara optimal. Peran tokoh adat masih kudu ditingkatkeun jang mere kontribusi nu gede dina pengembangan pamarentahan jeung pembangunan kampung. Upaya kognitif oge kudu dilakukeun ku cara mere pelatihan-pelatihan jang mere elmu nu cukup jang tokoh adat dina ngajalankeun fungsi jeung peranna dina ngajalankeun pamarentahan kampung. Salian mere elmu nu ngeunaan kana pembangunan kampung, oge dibere kaparigelan jang mingpin masarakat kampung. Kaparigelan kapamingpinan ieu dina bentuk lokakarya kudu ditingkatkeun ngameh mere kaparigelan nu cukup jang mingpin masarakat kampung nu efektif. Bentuk peningkatan ieu kudu dilakukeun sacara berkelanjutan. Kaparigelan nu beuki meningkat bakal mere kontribusi nu gede dina pembangunan masarakat kampung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3078", "text": "Dina waktos éta, ngan ukur sababaraha anu dagang via Instagram sareng algoritma Instagram henteu acan petualang, ku kituna sakali postingan dipasang, éta tiasa muncul dina feed sadayana. Kiwari, tangtosna, anjeun kedah langkung kreatif pikeun ngajantenkeun tulisan anjeun resep sareng dikomentaran ku seueur jalma upami anjeun hoyong ngajantenkeun jalma-jalma langkung panasaran ngeunaan produk anu anjeun jual sareng akhirna ngagaleuhna. Persis nalika kuring masangkeun poto produk kuring anu éndah kalayan caption promo anu pikaresepeun, anu resep anu kuring kéngingkeun henteu seueur. Jalma-jalma bosen disuguhkeun kana poto produk tok sabab tujuan utamana henteu muka Instagram pikeun balanja. Janten naon anu ngajaga akun kuring dina Instagram sibuk ku pembeli? Poto siga di balik layar, repot kuring ngatur bisnis kuring bari ngurus budak kuring, stok barang anu pabalatak ngantosan dibungkus sareng dikirim, dibarengan ku caption ngeunaan gancangna produk-produk tertentu béak, éta anu ngajantenkeun jalma-jalma langkung panasaran ngeunaan naon.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7935", "text": "Tos hampir sataun abdi teu papanggih jeung rerencangan abdi padahal baheula urang dekeut pisan kamamana pasti sasarengan. Abdi sabenerna sono pisan ka anjeunna tapi hanjakal pisan anjeunna nuju sibuk kuliah ngerjakeun tugas akhir nyaeta skripsi. Abdi oge kabeneran nuju sibuk miluan kagiatan di kampus janten hampir teu aya waktos kanggo urang papanggih. Tapi untungna hiji waktos urang tiasa patepang sabari mondok di kosan anjeunna. Sapeuting eta urang carita nepikeun tabuh tilu subuh. Abdi ngadangukeun carita anjeunna nepikeun ceurik jeung seuseurian deui bakating ku seeurna nu dicaritakeun ku anjeunna. Sanajan urang jarang patepang tapi sakalina papanggih urang langsung nyaritakeun sagala masalah urang masing-masing.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7173", "text": "Kendang nyaeta pakakas musik tradisional anu asalna ti sababaraha nagara di Asia Tenggara, diantarana Indonesia, Malaysia, Singapura, Brunei jeung Thailand. Kendang diwangun ku dua tabung anu dijieun tina awi atawa kai, anu diameterna kira-kira tilu puluh senti sarta panjangna kira-kira genep puluh senti. Tabung ieu dibagi janten dua bagian anu dijieun ti kulit atawa kaen. Kendang aya dua rupa sora, nyaeta sora rendah jeung sora tinggi. Sora rendah dihasilkeun ku cara nepak tabung anu dieusi kulit ku leungeun kenca, sedengkeun sora tinggi dihasilkeun ku cara nepak tabung anu dieusi lawon ku leungeun katuhu. Kendang bisa dipaenkeun sorangan atawa ku orkestra tradisional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5095", "text": "Kamari abdi nonton film Gundala di bioskop. Abdi sanes pecinta film pisan, kamari nonton ge bubuhan kenging tugas ti pun dosen. Pas masuk ka bioskop, abdi masih biasa wae. Di pertenghan film ge acan karasa nanaon, masih nikmati alurna. Naha pas di akhir film, duh ieu cai mata meuni teu kabendung. Nyuruncud bakat ku sedih ningali lalakon dina eta film hampir we eleh ku musuhna. Ah buru-buru we diseka eta cai panon teh bisi kaburu kanyahoan ku babaturan. Saberes nonton film, abdi jajan heula bari meser kabutuhan mangrupa sabun jeung sajabana. Tos burit jeung tos beres balanja, ayeuna waktuna uih.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9428", "text": "Kadu mangrupakeun jenis buah tropis anu asalna ti Asia Tenggara, utamana ti Indonesia, Malaysia jeung Filipina. Buah ieu bentukna badag sarta buleud, kalawan kulit teuas tur cucukan. Warna kulit duren biasana hejo atawa koneng semu coklat. Kadu ngabogaan seungit anu has, anu tiasa dianggap kuat pisan sareng henteu pikaresepeun pikeun sababaraha urang. Nanging, pikeun anu resep, durian ngagaduhan rasa anu lezat sareng amis. Buah ieu ngagaduhan daging lemes sareng bodas, anu dibagi kana sababaraha bagian ku batang ngabagi anu kandel. Ku kituna, kanggo jalma nu resep pisan kadu, buah ieu jadi salah sahiji buah anu miboga rasa jeung tekstur nu sampurna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1897", "text": "Sacara umum, dina réstoran anu lumayan ageung, aya nu dosebat koki eksekutif, langkung biasana ti hiji koki sareng pembantu koki tiasa dianggo. Nya, koki eksekutif ieu boga tanggung jawab pikeun mingpin atanapi ngawas sadaya koki sareng asisténna. Oki eksekutif ieu ogé tanggung jawab pikeun unggal tuangeun anu dipesen sareng ngatur sadaya kagiatan di dapur réstoran. koki eksekutif diwajibkeun pikeun salawasna kreatif dina nyieun resep anyar. Kitu cenah, sagala gagasan dahareun asalna ti koki eksekutif. Koki sareng koki pembantu ngan ukur kedah ngalaksanakeun ideu ti koki eksekutif, sareng ngalayanan piring dumasar kana pesenan palanggan. Sakapeung, di sababaraha réstoran, koki eksekutif ogé diwajibkeun ngadamel masakan khusus dina dinten-dinten atanapi ngan ukur dinten khusus. Éta mungkin, upami réstoran ngagaduhan tradisi nyayogikeun masakan khusus unggal dinten, maka éta ogé tanggung jawab koki eksekutif pikeun nyayogikeun resep khusus ieu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4929", "text": "Ti zaman baheula, Mc Donald atawa nu sering disebut oge MCD, masih eksis dugi ka ayeua. Teu jarang ieu tempat dahar jadi bahan ngabebenyokeun buda leutik. Paribasa kolot ka budak \"Tong ceurik, ke wang meser es krim di MCD\". Tah ti mimiti jiga kitu, dugi ka ayeuna ieu tempat dahar jadi matri dina hate unggal jalma. Hargana nu kajangkau ku dompet jeung tuangeunana nu ngareunah ngajadikeun ieu tempat dahar kasorang kamana-mana. Nu ti kampung oge bebelaan ngajugjug ku hayang na nyobaan ieu kadaharan. Komo zaman kiwari mah asa ku tinggaleun zaman pami can pernah nyobian salah sahiji kadaharan di MCD. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3081", "text": "Cara ngajual online tiasa janten solusi anu pangsaéna, khususna pikeun anjeun anu hoyong ngamimitian usaha tapi modal sakedik. Ngajual online sorangan mangrupikeun jinis usaha anu ayeuna mimiti dibutuhkeun ku seueur jalma. Dasarna, metode ngajual online ngagaduhan seueur bédana sareng metode penjualan konvensional. Salah sahiji bédana anu paling katingali nyaéta tempat pikeun ngajual barang dagangan. Anjeun kedah ngartos strategi sareng metode ngajual online ogé salaku pangusaha pemula. Naon deui, ayeuna seueur jalma mimiti ngalih ka ngajual online. Pondokna, bakal aya beuki loba pesaing sarta kompetisi bakal tougher. 1. Nangtukeun Ide Usaha kalawan Panalungtikan Produk Pikeun ngamimitian bisnis jualan online, lengkah kahiji anu kudu dipigawé nyaéta nangtukeun ide bisnis jeung panalungtikan produk 2. Pilih Target Audience atawa Poténsial Konsumen Sanggeus nangtukeun ide bisnis, cara salajengna ngajual online nyaéta naon anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta milih target pamiarsa atanapi konsumén poténsial. 3. Jieun Rincian Harga Kalapa jeung Coba Panalungtikan Pasar Lamun gagasan bisnis geus dijieun jeung anjeun ngartos naon tipe konsumen produk bakal ngahontal, teras lengkah saterusna nyaéta pikeun anjeun nyieun rinci harga.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8016", "text": "Gurita salah sahiji sato ti laut nu ngeunah upami diolah. Gurita teu gaduh tulang di awakna janten awakna leleus tur kenyel. Suku gurita teh aya dalapan, di unggal sukuna aya tentakel nu dipake sato ieu keur mangsa sato sejen. Salian sukuna nu aya dalapan, sato ieu unik oge kusabab bisa ngubah warna awakna nyesuaikeun jeung lingkungan hirupna. Gurita ngubah warna awakna ngarah tiasa kamuflase janten teu katingali ku predator. Upami kaanceum gurita ngaluarkeun tinta nu warnana hideung poek ngarah bisa kabur. Saacan diolah tinta ieu kudu dibersihan heula tina awak gurita. Daging gurita biasana dibakar atanapi didahar atah siga di restoran-restoran Jepang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4480", "text": "Squat jump mangrupikeun gerakan latihan anu sederhana anu ngagaduhan loba mangpaat kaséhatan. Salian ti kaleungitan beurat, mangpaat squat jumps anu anjeun tiasa nikmati nyaéta ngawangun otot pikeun ngajaga mobilitas sareng kasaimbangan awak. Salah sahiji kauntungan utama latihan squat jump nyaéta leungitna beurat. Alesanana, gerakan ieu dianggap ngabantosan anjeun ngaduruk kalori. Ngalakukeun squat jumps pikeun ngan 30 kali dipercaya ngaduruk 100 kalori. Tapi, jumlah ieu gumantung kana beurat awak anjeun sareng inténsitas gerakan. Aya sabaraha fungsi squad jump nyaeta nukahiji ngawangun otot awak gerakan squat jump mangrupa latihan pikeun nguatkeun otot imbit, suku jeung beuteung ngalakukeunana sacara teratur tiasa ngabantosan anjeun ngawangun otot dina bagian awak éta nukadua nyaeta ngajaga mobilitas jeung kasaimbangan gerakan squat jump ngalatih otot suku sangkan dianggap mangpaat dina ngajaga mobilitas jeung kasaimbangan awak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7374", "text": "Lucia Francisca Susi Susanti, mantan jawara badminton dunya ti Indonesia dina awal taun 1990-an. Susi anu katurunan Tionghoa, sok ngabela jeung ngajadikeun Indonesia jadi jawara dina sababaraha kajuaraan badminton internasional. Susi nyaeta legenda badminton Indonesia. Dina mangsa jayana, Susi rengking kahiji dina badminton dunya. Anjeunna kantos meunang kajawaraan badminton di Malaysia, Jepang, Korea, Walanda, Jerman, Thailand, Vietnam, Cina, Swedia, Australia, dina satengah awal taun 1990-an. Di Asia jeung Asia Tenggara, Susi geus meunang Asian Games jeung Sea Games. Susi meunang medali emas dina Olimpiade Barcelona 1992. Tapi, Susi dianggap kirang maksimal dina Olimpiade Atlanta 1996. Manehna ngan meunang medali perunggu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8873", "text": "Sanajan ceuk kolot mending meuli mesin cuci anu dua tabung, kuring tetep teu panuju. Sababna nyaeta mesin cuci anu satabung leuwih praktis tinimbang mesin cuci anu dua tabung. Contona, lamun nyeuseh make mesin cuci anu dua tabung mah sabada rengse ngagiles teh kudu dipindah kana tabung pengering. Sedengkeun lamun urang make mesin cuci anu satabung mah dimana rengse ngagiles teh teu kudu dipindahkeun tinggal mijit tombol anu pikeun ngeringkeun, jadi mesin cuci anu satabung mah salian ti hemat waktu oge hemat tanaga. Sajaba ti eta, mesin cuci satabung mah henteu meakeun tempat sabab ukuranna leuwih leutik tibatan mesin cuci anu dua tabung. Jadi bisa disimpen di tempat anu henteu pati lega. Kitu ceuk pamendak kuring mah ngeunaan mesin cuci satabung.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2812", "text": "Leuwih ti éta, bot calakan ditingkatkeun ku A.I. Pangolahan Basa Alami anu ngamungkinkeun robot ngartos kumaha arsip, nyortir, sareng ngagolongkeun dokumén dumasar kategori sareng nempatkeunna dina polder masing-masing. Deui tangtu tanpa touch manusa!\r\n1. Nyieun laporan jeung surat tugas pamaréntah\r\nNgahasilkeun laporan atanapi surat penerbitan ayeuna mangrupikeun hal anu gampang pikeun diurus di PNS. Hayu bot calakan ngalakukeun hal eta, staf manusa ngan perlu sangkan méré konfirmasi jeung pariksa deui! Salaku tambahan, bot calakan tiasa nganalisis data anu disimpen teras nampilkeun visualisasi informatif data éta dina bentuk tabel atanapi grafik. Nyiptakeun laporan ayeuna gampang!\r\n2. Prosés Idéntifikasi & Auténtikasi\r\nProsés idéntifikasi sareng auténtikasi maénkeun peran anu penting dina dukungan administrasi sareng tugas-tugas anu aya hubunganana sareng dokuméntasi. Kalawan AI, bot calakan bisa mantuan staf manusa pikeun ngaidentipikasi rupa manusa nu bakal mangpaat pikeun kartu identitas, sertipikat, klaim atawa kaperluan paspor.\r\n3. Karya administrasi séjénna\r\nTangtosna, bot calakan tiasa ngajadikeun otomatis sadaya padamelan administrasi. Ninggalkeun ka robot, hayu staf PNS ngalakukeun tugas penting séjén!\r\n", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7142", "text": "Lirik \"Soleram\" lumayan gampang diemut. Matak lagu ti daerah Riau ieu populer di loba daerah nu sejen di Indonesia. Lagu \"Soleram\" nyaeta salah sahiji lagu folklor anu asalna jadi lagu sateuacan bobo pikeun barudak. Dina artikel “Soleram Song Arrangement by Josu Elberdin: An Overview of Choir Arrangements” dina Repertoire Journal (Vol. 1, No. 2, 2021), dijeaskeun yen rumpaka tembang Soleram ngandung rupa-rupa tips atawa nasehat pikeun generasi ngora. Ieu mangrupakeun salah sahiji ciri tembang folklor (lagu rahayat nu diwariskeun sacara lisan) di Indonesia. Lirik lagu \"Soleram\" eusina nasehat ngeunaan pergaulan jeung sasama manusia. Lirikna nyaritakeun nasehat pikeun ngajaga kahormatan jeung harga diri, ngajaga isin salaku budaya.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3596", "text": "Ampir unggal sabtu minggu, kuring ngurilingan kota nyalira nganggo peta Google. Sumawona, dina taun 2022 kamari kuring di kota anyar. Mmm... meureun lain kota anyar, atawa rada kota nu nelepon kuring balik ka dinya pikeun tetep dina leungeun-Na (Jigana).\r\n\r\nGeus jadi agenda rutin salila 1 bulan katukang, unggal Saptu atawa Minggu sore kuring ngurilingan kota Yogyakarta. Ngusap kenangan baheula, nginget-nginget nu baheula murag jeung ayeuna robah.\r\n\r\nAbdi nguriling ningali Yogyakarta anu tenang, sederhana tapi tetep éndah sareng khusus tangtosna. Di tengah-tengah perjalanan, kuring sok mampir ka warung kopi atawa angkringan anu sederhana sabab cenah Jogja teh diwangun ku kenangan jeung angkringan.\r\n\r\nMeureun éta cara kuring dina ngaleupaskeun kacapean.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6095", "text": "Mimiti ngamulai usaha teh nyaeta di bidang kuliner. Nyobian icalan inuman nu keur viral pisan dina sosial media, nyaeta es boba. Icalan es boba teh teu pati hese nyiapkeun jeung ngadamelna. Kantun meser bahan inuman nu bentuk serbuk, jeing meser boba nu kemasan, ditambihan we ku gula nu dicairkeun. Tah hal nu kudu diperhatikeun teh nyaeta kakenyalan bobana. Sabab nu ngabedakeunna teh di kakenyalan boba. Icalan ieu teh lumayan mayeng, sadinten tiasa kenging minimal dua ratus rebu. Pernah pangseueurna kenging sajuta sadinten, kaparengan aya kagiatan di caket tempat icalan. Bahanna ge gampil, tiasa dipeser di toko bahan kue atawa toko plastik nu lengkap. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9438", "text": "Ifu Mie nyaeta salah sahiji jenis mi anu asalna ti Cina. Mi ieu dijieun tina tipung gandum anu dibentuk jadi batang ipis sarta panjang, lajeng dicelup dina saos gurih tur lada. Ifu Mie biasana disayogikeun jeung sayuran seger ditambah kadaharan laut sapertos udang, cumi sareng sababaraha saos tambahan sapertos saos tiram atanapi saos lada. Mie Ifu kasohor ku teksturna anu lembut sareng gurih, anu cocok pikeun dinikmati nalika hawa tiis. Sajaba ti ea, Ifu Mie ngandung loba protein jeung karbohidrat, sahingga bisa nyadiakeun énergi cukup pikeun awak. Ifu Mie tiasa dipendakan di sababaraha tempat, sapertos restoran, atawa warung seafood. Biasana Ifu Mie hargana kajangkau, sangkan bisa dinikmati ku sakumna golongan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6534", "text": "Hirup di desa mah mantak ngeunah dahar pisan. Sagala lauk nu dipasakna ge sok sederhana. Biasana urang desa mah tuang teh kudu aya wae lauk asin jeung sambel ditambahan ku lalab. Sambelna teh biasana sambel tarasi, cengekna ngadadak metik di buruan. Tarasina teh tarasi kiloan nu dibungkusan. Lauk asin ge tara tinggaleun, nu pokokna mah asin peda dijerukan. Lalab na oge lolobana make lalab atah jiga bonteng, leunca, roay, jaat, jeung sajabana. Tah hal ieu teh mantak nikmat pisan dina tuangna. Tuangna oge sok make alas daun cau, bari dituangna di sisi sawah atawa di saung kebon, dituangna teh sok botram babarengan jeung tatangga.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7624", "text": "Lamun urang hoyong sukses dina wirausaha urang, aya sababaraha konsep wirausaha anu kedah urang apal sateuacan mulai usaha. Anu kahiji nyaeta lincah. Kalincahan mangrupakeun salah sahiji kamampuan saurang kanggo ngarobah arah jeung posisi ku cara gancang tanpa leungit kasaimbangan sangkan manehna tiasa adaptasi jeung tiasa tahan dina sagala kondisi jeung parobahan jaman. Kalincahan ieu oge aya hubunganna sareng kamampuan urang diajar hal anu anyar. Contona, dina waktos pandemi, saurang wirausaha kedah geuwat nembalan kondisi anu disanghareupan, boh dina strategina, boh dina hasilna. Anu kadua nyeta kedah tiasa tahan dina saga kondisi. Pangusaha kedah gaduh kapasitas gawe anu lila jeung tahan terus-terusan nepikeun waktos anu lami. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4563", "text": "Peminat maén bal pasti tara elat nongton bola, nempoan maen bola peuting bareng jeung kulawarga, babaturan bari ngadahar jaaneun favorit maranéhanana. Nongton pertandingan olahraga komo piala dunia mangrupikeun pangalaman anu di tunggu tunggu sareng tiasa janten panambah suasana, tapi ogé pangalaman anu tiasa ngabahayakeun kaséhatan anjeun. wewengkon otak pakait sareng perencanaan sarta ngadalikeun lampah dirangsang. nongton pertandingan olah raga, anjeun kantos ngarasa haté anjeun deg deg an ketukan saolah-olah anjeun ngajalankeun handap. ieu téh alatan pikagumbiraeun tina respon simpatik, anu ngamungkinkeun urang pikeun nyaritakeun lampah batur. Lantaran kitu, ningali batur maén bal bakal ngajadikeun Anjeun bungah, nyababkeun denyut jantung sareng engapan anjeun ningkat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8640", "text": "Ana mangrupa pagawe di hiji pausahaan badag sarta geus digawe pikeun sababaraha taun. Anjeunna boga panghasilan stabil sarta cukup pikeun nyieun tungtung minuhan. Tapi, Ana nyadar yen hirup teh teu salawasna lancar, jeung hiji poe manehna bisa ngalaman kajadian nu teu disangka-sangka, saperti kaleungitan pagawean, gering, atawa kaayaan darurat sejenna. Ku alatan eta, Ana mutuskeun pikeun nyetel dana darurat. Ana dimimitian ku ngitung sabaraha duit manehna diperlukeun pikeun dana darurat. Saatos ngobrol sareng rerencangan sareng maca sababaraha sumber online, anjeunna mutuskeun yen anjeunna kedah nyetel dana darurat pikeun sahenteuna sarimbag sareng biaya tilu dugi ka genep bulan. Sanggeus ngitung waragadna salila sababaraha bulan, Ana nangtukeun jumlah dana darurat anu dibutuhkeunna sakitar 30 juta rupiah. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5365", "text": "Dina nyambut taun baruan Islam teh kampung abdi mah sok ngayakeun pawei obor. Pawei obor digelarna sok tas maghrib, ngurilingan lembur. Obor na teh sok disadiakeun i karang taruna sawareh, aya oge nu ngadaramel nyalira di bumi. Beres ashar, abdi siap-siap kangge nyiapkeun obor jeung barang nu dibutuhkeun. Da biasana beres pawei obor teh sok aya makan bersama nu digelar di halaman masjid jamie. Tah makan bersama ieu teh jadi simbol rasa syukur sabab tiasa keneh ngaraosan taun baru Islam. Pawei obor teh sok diiluan ku kabeh masyarakat, ti mimiti barudak, remaja, nepi ka ibu-ibu jeung bapak-bapak. Sadaya warga milu ngaramekeun tahun baruan ieu. Komo mun di kota mah, pawei obor teh sok meriah pisan ku warga na nu ngaleut lobaan minuhan jalan-jalan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7054", "text": "Lamun urang boga masalah anu badag, urang kedah inget yen Allah leuwih gaduh kawasa sedengkeun makhluk mah teu gaduh kawasa nanaon, ngaranna oge makhluk, makhluk mah anu diciptakeun ku khaliq anu nyiptakeun, matak khaliq mah apal pisan sagala tingka polah makhluk. Matak lamun urang gaduh masalah, tong sieun lantaran masalah urang mah leutik lamun dibandingkeun jeung kawasa Alloh anu badag pisan. Naha urang beut hariwang padahal urang teh dirawat jeung diperhatikeun ku Alloh. Tapi ku kituna urang oge tetep kedah usaha, tapi tong make hate, lamun digawe mah make lengeung jeung suku. Hate urang mah sanes kanggo ikhtiar, tapi dianggo tawakkal ka Alloh.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "484", "text": "Lebaran identikna jeung ngumpul babarengan kulawarga. Momen ieu dijadikeun jang menta hampura jeung silaturahmi. Ceuk urang mudik lebaran teh penting, komo nu ngarantau mah teu bisa unggal poe ninggali kolot. Tiap taun pasti sono ka kampung halaman sok kaobatan ku mudik teh. Ku sabab kitu tangtangan beurat nu disanghareupan jang balik kampung ge teu jadi pasualan, pasti dilakonan ku rasa bungah. Tapi sakapeung mah sok hoream dijalanna komo deui mun naek umum pasti hese meunangkeun tiket mudik teh, biasana ku urang diantisipasi ku mudikna saenggeus lebaran atawa pernah oge pas saminggu saacan lebaran ngameh teu nyedek-nyedek teuing kana waktu lebaranna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8152", "text": "Jaman tos makin maju wae hayu urang nuturkeun perkembangan jaman. Salah sahiji upaya atanapi usaha urang pikeun nurutan perkembangan jaman ieu nyaeta nganggo cashless upami balanja. Metode cashless ieu tangtos praktis pisan kusabab urang teu kudu mamawa duit dina dompet atanapi tas. Metode ieu oge tiasa ngurangan penggunaan duit kertas nu bahanna dicokot tina tangkal. Janten secara teu langsung tiasa ngurangan panuaran tangkal. os seueur aplikasi sareng penyedia-penyedia layanan cashless ieu. Babaraha aplikasi bahkan ngainstegrasikeun metode caashless sareng pelayanan nu sejen sapertos ojek, order kadaharan, kirim barang, jeung sajabana. Ku kituna hayu urang mulai nganggo cashless supados teu katinggalan jaman.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5747", "text": "Parahu riverboat atawa nu dikenal ku ngaran parahu karet, mangrupakeun salah sahiji peralatan penting dina olahraga arung jeram. Parahu nu biasa digunakeun arung jeram teh dijieunna tina bahan polivinyl chlorida atawa PVC. Bagian parahu na teh nyaeta aya lantai, tabung, haluan, thwart, buritan, jeung self bailing. Bagean tabung aya di kabeh sisi parahu nu di sekat-sekat. Di antara tetengah tabung teh aya nu namina thwart tilu siki nu fungsina jang nyegah parahu ngalipet dina jeram. Mun buritan mah bagean tukang parahu, mun haluan mah bagean hareup parahu nu rada tanggah nu fungsina nyegah cai jeram ngahantan parahu. Mun lantai mah fungsina jang nyaimbangkeun parahu supaya teu tibalik.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7032", "text": "Samanhudi atawa sok disebut Kyai Haji Samanhudi (lahir di Laweyan, Surakarta, Jawa Tengah, 1868; pupus di Klaten, Jawa Tengah, 28 Desember 1956) mangrupikeun pangadeg Sarekat Dagang Islam, hiji organisasi massa di Indonesia anu asalna mangrupa wadah pikeun pangusaha batik di Indonesia, Surakarta. Dina salila manehna dagang, Samanhudi ngarasakeun pisan bedana perlakuan ti panguasa Hindia Walanda ka padagang pribumi anu mayoritas padagang Muslim jeung Cina dina taun 1905. Ku kituna Samanhudi ngarasa yen padagang pribumi kudu boga organisasi sorangan pikeun ngabela kapentinganana. Taun 1905, anjeunna ngadegkeun Sarekat Dagang Islam pikeun ngawujudkeun cita-citana. Organisasi ieu engkena janten organisasi anu luewih luas deui, teu ngan saukur urusan dagang hungkul, tapi oge janten organisasi kanggo muslim supados saha wae anu sanes tukang dagang oge tiasa ngiringan ka organisasi ieu. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4024", "text": "Poe ieu pas libur urang teu kamana- mana, jadi urang hayang ngalakukeun hobi nu ges ti leuleutik nayeta masak, poe ieu pas pisn hujan ti isuk urang rek msasak nu haneut - haneut nayeta urang hayang ngajieun bakso. Bakso poe ieu ngagunakeun daging hayam weh soalna di kukas ayana eta. Urang di bantuan masak na ku mamah, tapi mama ngan bagean ngereutan bawang bodas, bawang beurem, saledri jeung bawang daun sarta nyiapkeun cabe keur nyieun bakso ngke.nagjieun bakso hayam ieu teu beda jeungjieun bakso sapi biasa. urang nyampurkeun daging, bungbu- bungbu, tipung aci saeutik jeung es batu tulus di giling terus di cetak. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1882", "text": "Es Cendol Tepung Beras Bandung Khas Bandung pastina moal jauh ti cendol elizabet, Istimewa, Asli, Enak, dicampur tipung hunkwe atawa sagu. Céndol Elizabeth Bandung memang geus kasohor geus lila, kalayan bahan dasar utama tipung béas jeung campuran tipung hunkwe atawa sagu, hasilna céndol anu lembut, lembut jeung kenyal. Anjeun oge bisa nyieun rupa-rupa kreasi rupa-rupa jenis atawa variasi olahan céndol séjénna, saperti varian resep céndol pelangi kalayan pitakelir sangkan narik nu meulicéndol.\nBAHAN CENDOL na:\n75 gram tipung béas\n50 gram tepung sagu/hunkwe\n2 sdm cai kapur tulis (opsional)\n100 ml jus Pandan sareng daun suji pikeun pewarna alami\n500 ml cai\n1/4 sdm uyah\n* dicandak tina 40 lembar suji, 10 lembar pandan sareng 100 ml cai, upami anjeun hoyong latihan témpél pandan + cai.\n\nBAHAN KINCA:\n200 gram gula beureum\n50 gram gula\n3 lembar daun pandan, iris\n6 lembar daun jeruk\n150 ml cai", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2678", "text": "Waktu keur SMP, kagiatan ekstrakurikuler mah KIR, Karya Ilmiah Pemuda. Ékstrakurikuler ieu kacida pikaresepeunna sabab ngalakukeun ékspérimén ilmiah kalayan listrik, kimia basajan, jeung sajabana. SMA Kelas 1, kagiatan ekstrakurikuler kuring nyaéta baskét. Tapi, sanggeus aya kajadian tarung sanggeus kaulinan baskét antara SMA jeung hiji murid ditémbak ku Mobile Brigade nalika aranjeunna nyobian bubarkeun, kagiatan ieu ditunda samentara. Kelas 2 SMA, pindah ka Tapak Suci. Sabab baheula mah silat oge, naon salahna mun dicobian neruskeun deui. Tapi tétéla, puguh - puguh. Kelas 3 SMA, pindah ka badminton. Alesanana sabab kagiatan ekstrakurikuler ieu tiasa dilewatan ngan ukur nyumbangkeun sababaraha tabung nalika ujian.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "811", "text": "Push-up salah sahiji olahraga nu babari dilakukeun, sabab urang bisa ngalakukeunna di mana wae sanajan rohanganna leutik. Gerakan Push-up dimimitian ku cara posisi sare nangkuban anu leungeunna aya di sisi katuhu jeung kenca awak, tuluy awak didorong ka luhur ku kakuatan leungeun dina posisi awak jeung suku masih tetep lurus jeung tegep. Tuluy turunkeun awak tapi ulah keuna kana lantai jeung tetep ngajaga posisi awak oge suku ngameh tetep lurus. Push up nyaeta jenis latihan nu loba dilakukeun jang ngabentuk otot awak bagian luhur siga otot dada, taktak, leungeun, tonggong luhur, sarta sababaraha sendi. Salian eta, otot beuteung jeung pingping oge bakal ka latih pas ngalakukeun push up.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6810", "text": "Seni lukis nyaeta seni anu ngagunakeun media anu rupi-rupi sapertos cet, krayon, patlot atawa tinta pikeun nyieun gambar atawa lukisan. Ngalukis bisa ngagunakeun rupa-rupa tehnik,sapertos ngagambar, ngagores, nyapu, atawa nyemprot. Ngalukis tiasa ngagunakeun rupa-rupa media, di antarana kertas, kanvas, kain, atau tiasa oge dina tembok. Ngalukis oge bisa ngagunakeun rupa-rupa tehnik sapertos sketsa, kartun, abstrak, atawa realistis. Ngalukis oge tiasa nganggo rupa-rupa warna, sapertos warna primer, sekunder, sareng tersier. Urang oge tiasa nganggo sababaraha tehnik pikeun nyiptakeun efek khusus, sapertos kalangkang, gradien, atanapi tekstur. Ngalukis tiasa janten cara anu pikaresepeun sareng kreatif pikeun ngaeksppresikeun diri, nganyatakeun ide, sareng ngaluapkeun emosi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8856", "text": "Poe ieu Ahmad mulih ti kampus naék Beus. Manéhna mawa kantong badag pinuh ku baju, sabab manéhna rék balik, sarta dina leungeunna nyekel laptop jeung dua buku kuliah na. Ku sabab capé sapopoé kuliah jeung lalampahan ka imahna masih jauh, Ahmad saré salila di perjalanan. Sabada hudang, Ahmad langsung turun tuluy mayar ongkos Beus, poho mawa laptop jeung buku kuliahna nu diteundeun dina korsi gigireunana. Sanggeus nepi ka imah, Ahmad rék ngerjakeun skripsi, kakara inget kana léptopna dina korsi panumpang beus. Ahmad panik, teu terang kamana milarian laptopna, sareng anjeunna ogé henteu terang Beus mana anu anjeunna angkat siang tadi teh. Tapi teu lila, aya telepon asup, tétéla ti terminal Beus pusat ngabéjaan yén laptopna aya di dinya. Kabeneran Ahmad nempatkeun nomer teleponna dina stiker dina léptopna, isuk-isuk manéhna bisa meunangkeun deui eta leptop.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4749", "text": "Pikeun mulangkeun perusahaan ka kaayaan aslina henteu gampang, anjeun kudu ngamimitian ngajieun parobihan anu dianggap perlu neangan naon nyababkeun perusahaan kaleungitan artos atawa karugian. Anjeun bisa ngajieun parobahan ieu, dina sababaraha aspek misalkeun ngarobah dina sistem bisnis, tujuan, lokasi bisnis, jeung strategi pemasaran. Dimana ieu kabeh kudu disaluyu keun atawa kudu sesuai jeung hasil evaluasi bisnis anjeun na. Ku kituna anu nyebebkeun leungitna bisa kapanggih solusi anu bener tur sasuai. Cara ieu di pihareup bakal menerkeun sistem sistem bisnis, tujuan, lokasi bisnis jeung strategi anu bermasalah tadi sangkan ku cara kitu anjeun mipiharep teu aya deui karugian dina mangsa nu bakal datang.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2694", "text": "Tragedi karusuhan di Stadion Kanjuruhan lumangsung sanggeus laga Liga 1 antara tuan rumah Arema FC jeung tim tamu Persebaya Surabaya réngsé dina Saptu (1/10/2022) malem WIB. Sanggeus pertandingan réngsé kalawan skor 3-2 pikeun kameunangan tamu ', sajumlah suporter Arema FC nu teu merhatikeun dilaporkeun ka lapang. Para suporter Arema FC anu teu sopan naék ka lapang lantaran teu sugema kana hasil pertandingan. Panambakan gas cimata ku pasukan kaamanan disangka nyababkeun panik di stan sareng ngajantenkeun fans lumpat ka arah jalan kaluar. Hasilna, aya akumulasi massa. Stampede teu bisa dihindari, ngabalukarkeun loba korban. Dumasar katerangan resmi ti Dinas Kaséhatan Kabupatén Malang anu diverifikasi ku Polri nepi ka Minggu (2/10/2022) malem, jumlah korban jiwa dina musibah Kanjuruhan ngahontal 125 jiwa. Baca ogé: Kronologi Kanyeri Kanjuruhan, lain bentrok Aremania-Bonek.Jumlah korban jiwa dina tragedi Stadion Kanjuruhan, matak prihatin. Dunya ogé aya dina sungkawa. Di tengah-tengah kaayaan nu pikasediheun ieu, warga nagara teu hilap ngawas masalah di balik musibah Stadion Kanjuruhan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6713", "text": "Upami gaduh rencana bade pipiknikan di alam tapi hoyong nu tempatna teu pati jauh ti kota urang tiasa datang ka Batu Kuda. Tempat ieu aya na di daerah Cibiru Wetan. Jarakna ti jalan badag ngan kurang leuwih dua puluh kilometer, jeung bisa dipapay make mobil atawa motor. Tiket asup ka batu kuda ngan sapuluh rebu saurang, beda deui lamun parkir nyimpen motor jeung mobil. Urang tiasa nambut samak atau tiasa oge mawa tenda sorangan. Di Batu Kuda seeur pisan tempat nu tiasa dipilih, disadiaan oge kamar cai jeung musola. Upami urang hoyong jajan, di ditu oge aya warung anu ngajual emih jeung gorengan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3872", "text": "Mie geus jadi kadaharan karesep urang Indonésia. kabéh olahan mi téh pasti ngeunah jeung bergizi, salah sahijina nyaéta mie hayam, mie hayam bisa di panggihan di mana waé ti sisi jalan nepi ka réstoran, méh kawas masakan husus nu sok aya jeung inget. Mie hayam didamel tina tipung, cai sareng uyah anu didamel mi anu dibumbuan ku minyak sareng kecap teras dibubuhan ku biasana hayam kecap. Mie hayam kakoncara nepi ka baheula dianggap kadaharan tradisional, aya oge kadaharan tradisional anu mindeng karandapan nyaeta peuyem anu beda jeung mie hayam eusian peuyeum nyaeta jajanan anu dijieun tina sampeu. Teu sadaya jelema resep peuyeum, kawas mie hayam sabab rasana haseum alatan fermentasi jeung bau anu seungit.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4571", "text": "Candy Crush Saga, games atawa kauliana anu latar caritana aya di dunya permen. Taya kecerdasan husus diperlukeun pikeun maénkeun éta, teu kudu jago jeung nu ges lila maen games sarta ges pangalaman teu dilarapkeun ka kaulinan Candy crush saga ieu. Kusabab konci utama nyaéta pikeun ngabéréskeun unggal tingkat. Tingkat kasusah sabenerna dina komposisi permen nu geus acak disusun dina dewan kaulinan. Mun anjeun boga untung, lajeng kaulinan ieu pisan gampang ngajalankeun. Tapi lamun hararese games ieu oge boga sababaraha pilihan bantuan anu bisa di pake. Games ieu dipelopori ku King Developer, desain anu sederhana sareng warni ngajantenkeun midangkeun éta pikaresepeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2345", "text": "Joglo nyaéta imah adat di Jawa Tengah anu hateupna ngawangun piramid anu ngarujuk kana wangun gunung. Sacara umum aya opat bagian imah Joglo, nya éta pendopo atawa ruang tamu, pringgitan atawa rohangan samping, rohangan dalem atawa rohangan utama, jeung séntong minangka gudang. Joglo tiasa janten inspirasi anjeun dina ngawangun imah, sabab ngagaduhan bentuk hateup anu unik sareng éndah. Salah sahiji anu tiasa diadopsi nyaéta pendopo anu diadopsi pikeun teras. Tangtos aya panyesuaian ukuran, sabab pendopo aslina lega. Tapi, lamun hayang manggihan imah di Jawa Tengah, tangtu bisa jadi pilihan pangalusna. Ieu imah adat béda jeung imah adat Joglo di Jawa Tengah, sanajan aya saeutik sasaruaanana. Imah adat Jawa Timur wangunna piramida atawa dara gepak. Sakumaha ngaranna, imah adat ieu bisa kapanggih di wewengkon Situbondo, Jawa Timur. Sacara umum, bahan wangunan imah tradisional ieu mangrupa kai jati murni. Hal ieu dipercaya alatan kai jati boga kakuatan hébat sarta durability panjang. Panto utama aya hiasan anu biasa disebut makara atawa gulungan seluru. Makara biasana dijadikeun gapura lawang samemeh asup ka rohangan utama.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2685", "text": "Ieu bener bener, sobat. Ujug-ujug manéhna ngajak kuring lalajo badminton sarta teu ngabejaan kuring harga tiket ti mimiti. Ujug-ujug di stan menta mayar 600 rebu. Hapunten? Teu nyaho ogé. Kuring boga parasaan campur. Antara cinta duit, tapi ogé teu goréng pikeun pangalaman. Sumawona, kuring ogé milarian hobi énggal. Janten hayu urang nyarios ieu mangrupikeun salah sahiji petualangan kuring milarian hobi énggal. Kesan pertama kuring asup ka kamar, wah rame pisan, maklum badminton populer. Tapi tetep, kuring ogé reuwas ningali sabaraha urang geus ngeusian korsi maranéhanana sanajan pertandingan masih satengah jam jauh. Mimitina kamar éta henteu panas tapi saatos sababaraha waktos kusabab jalma-jalma gumbira sareng urang sadayana ngabagi hawa sareng kusabab éta, éta ogé ngambekan. Tapi tetep tahan jeung teu kesang teuing. Urang Indonesia bener-bener pinter ngagumbirakeun. Sapanjang 5 pertandingan anu ku kuring dilalajoan, kabéhanana meunang keprok antusias ti urang Indonésia. Malah mah pamaen indonesia anu masih keneh disurak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "964", "text": "Pas keur jaman kuliah urang mindeng make teko listrik, sabab di kostan urang euweuh dapur jang masak. Ceuk urang teko listrik cukup mantuan mun rek naheur cai atawa masak emih. Lantaran unggal poe urang kudu aya cai panas jang ninyuh kopi, jadi sanajan teu boga galon oge teko listrik cukup mangpaat. Jeung urang teu kudu riweuh boga alat-alat nu sejen siga katel, gas, jeung sajabana, da geus cukup ku teko listrik oge. Tapi watt na anu gede sakapeung mah sok tara kuateun mun dipake teh, sok ngajepret. Tuluy mun masak emih atawa cai, sok aya bau-bau beusi nempel kana kuahna. Mun lila-lila teuing make teko listrik teh sieun teu sehat.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8870", "text": "Aya sababaraha bédana antara mesin cuci tabung tunggal sareng dua tabung. Beda kahiji nyaeta harga, mesin cuci dua tabung rada langkung mirah ti tabung tunggal. Sangkan hargana mahal, ngajadikeun mesin cuci tabung tunggal langkung efektif sareng efisien dina nyeuseuh baju. Beda kadua dina jumlah konsumsi cai jeung listrik, mesin cuci dua tabung merlukeun leuwih loba cai jeung listrik ti mesin cuci tabung tunggal. Katilu, penampilanna anu beda pisan, mesin cuci bak tunggal leuwih leutik sarta ngan boga hiji tabung. Samentara éta, mesin cuci dua tabung condong leuwih badag sarta boga dua tabung misah, jang nyeseuh jeung ngagaringkeun. Tungtungna, prosés nyeuseuh jeung ngagaringkeun, dina mesin cuci hiji tabung duanana prosés dilumangsungkeun dina hiji tabung, sedengkeun dina mesin cuci dua tabung urang kudu mindahkeun heula baju kana mesin pengering, karek baju bisa garing sarta siap dijemur di panonpoé.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1851", "text": "Abdi resep tuang di réstoran all you can eat , dimana jinis tuangeun saimbang antara sayuran, buah, inuman, sareng daging. tips jang makan didinya teh kudu Datang awal nalika réstoran karek muka, sajaba ti kanyataan yén dahareun masih seger jeung haneut, biasana hargana bakal langkung mirah ti nalika waktu dinner. Nyobaan nyaliksik heula restoran sangkan mun urang kadinya teu bingung jeung miceunan waktu sesa tinggal milih naon nu rek didahar. Biasana kuring leuwih resep ngaraosan dagingna heula. Sanggeus éta, tutup ku dahar loba sayuran jeung bungbuahan. Pikeun inuman, kuring resep nyandak green tea tanpa gula nu eweh batasna Abdi nyandak sadaya tuangeun kecuali sangu, iraha abdi tuang daging tanpa kaganggu ku sangu? Sumawona abdi teh jinisna anu resep kana tuangeun, upami teu acan rengse, mubazir. Suka atanapi henteu, anjeun kedah ngabéréskeun sadaya daging anu anjeun candak beh heuteu menang denda.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1916", "text": "Saban poé indung kuring ampir sok masak sayur. Henteu ngan pikeun sarapan, malah masakan dahar beurang sarta ker peuting tuang salawasna dibarengan ku sayuran héjo. Lamun isuk-isuk urang ngan dahar pucuk singkong, sore atawa sore indung kuring mindeng masak tumis apu ditambahan teri jeung endog. Rasana ngeunah pisan. Hebatna, salian nikmat, sayuran ogé pohara alus pikeun kaséhatan urang. Sayuran anu urang tuang unggal dinten tiasa ngabantosan nétralisasi racun tina awak, ogé ngagampangkeun usus. Éta sababna bapa kuring sakali nyarios; upami urang sesah buang air besar, langkung seueur sayuran héjo supados sistem pencernaan janten lancar. Muhun, naon anu anjeun ngantosan. Hayu urang dahar sayuran!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2289", "text": "Poé Nyepi bisa dihartikeun minangka poé nyucikeun diri manusa jeung alam. Hartina, Nyepi boga tujuan pikeun ngaleungitkeun kokotor jeung kagoréngan mangsa katukang sangkan siap nyanghareupan halangan dina taun anyar. Salila Nyepi, sagala rupa kagiatan dilarang. Kalayan atmosfir anu tenang, umat Hindu tiasa ngémutan kalayan khusyuk. Tahap ahir Poé Nyepi bisa dihartikeun salaku tempat pikeun pangakuan jeung kaikhlasan (Ngembak Geni). Hartina, salaku manusa kudu ngaku kasalahan sarta ménta atawa méré hampura ka batur. Sanggeus Nyepi, umat Hindu biasana silih datangan tur ngalaksanakeun tradisi ngahampura. Perayaan Hari Raya Nyepi méré pamahaman pentingna toleransi dina kahirupan manusa. Harti Poé Nyepi raket patalina jeung kahirupan. Ngalaksanakeun muhasabah diri mangrupikeun salah sahiji prosés pikeun nyiapkeun kahirupan dina taun énggal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "527", "text": "Ngahaleuangkeun lagu daerah tangtuna aya carana sorangan. Nu kahiji kudu apal makna atawa artina, ieu penting meh pas ngahaleuangkeun bisa menjiwai mun apal hartina mah. Nu kadua kudu diajar tangga nada jeung cara ngahaleuangkeun, ieu moal mungkin oge mun nadana beda jeung nada asalna. Nu katilu diajar cara bacana, sakapeung mah aya oge daerah nu mibogaan cara bahasa unik contona di daerah Sunda aya kecap eu. Nu kaopat, leuwih alus oge diajar budaya na. Nu kalima kudu apal tujuan dina tradisi dearah eta. Nu kagenep iraha jeung dina acara naon biasana tradisi eta dilakukeun, lantaran tradisi tiap daerah teh beda-beda waktuna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2712", "text": "Nuturkeun conto nagara Éropa nu boga budaya maén bal kuat kayaning Inggris, Rusia jeung Bélgia, maranéhna ngalakukeun sagala usaha pikeun nyegah kekerasan dina maén bal jeung nyokot tindakan tegas ngalawan palaku. Aya naon?\r\n1. Ngalarang fans nonton di stadion\r\nLamun masih aya fans anu bangor, sanksi larangan nonton langsung di stadion mangrupa lengkah saterusna. Tapi hanjakalna, usaha ieu ngan ukur pikeun nyegah kekerasan di stadion. Panongton biasana bakal néangan tempat séjén pikeun lalajo maén bal sangkan kamungkinan bentrok antara suporter muka deui. Ieu lumangsung di Turki.\r\n2. Ereunkeun sakabéh liga\r\nSabot suporter Persija, Haringga Sirla, tiwas ku Bobotoh September taun ka tukang, PSSI ngeureunkeun sagala pasanggiri pikeun ngaronjatkeun citra sepakbola Indonésia. Liga Italia ogé ngalakukeun ieu dina 2007.\r\n3. Méré latihan supporter\r\nKlub Belgian Standard Liege muka program latihan suporter dimana barudak fans bal dilengkepan pamahaman fatality of committing kekerasan boh keur batur jeung sorangan. Leres, nanemkeun nilai-nilai kasabaran ti leuleutik penting pisan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3077", "text": "Cara kuring meunang calon pembeli anu resep kana produk kuring nyaéta ku pamasaran via Instagram, sanaos 80% tina transaksi penjualan kuring pamustunganana lumangsung di Shopee sareng Tokopedia.\r\n\r\nLeres, 100% calon pembeli kuring mendakan produk kuring ngalangkungan Instagram, tapi tungtungna aranjeunna bakal ngagaleuh ngalangkungan pasar anu dianggap langkung aman sareng langkung merenah salaku média transaksi.\r\n\r\nPengikut pikeun akun jual kuring dina Instagram sorangan ayeuna parantos ngahontal 53K + anu kuring kéngingkeun sacara organik (henteu mésér pengikut sareng saterasna). Sadaya anu kuring lakukeun nyaéta konsistén ngeposkeun eusi unggal dinten, boh dina feed sareng carita.\r\n\r\nTapi ulah ngarep-ngarep kudu rajin ngeposkeun poto-poto produk unggal poe tuluy daganganana langsung laris. Baheula, kira-kira 5 taun ka tukang, éta bener-bener mujarab pikeun ngan ukur masangkeun poto produk kalayan caption pikeun nami produk sareng harga, anu tiasa ngajantenkeun toko online urang rame ku pembeli.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3852", "text": "Terkenal na boba akhir-akhir ieu nepika di pake topping di sagala dahareun jeung minuman. Boba nyaeta bola bola anu di jieun ti tipung tapioka. Rasa boba sabenerna hambar eweh rasaan, matakna sok jadi topping atawa campuran dina dahareun jeung minuman. Asal usul boba teh mimitina di jieun ti Taichung Taiwan di tahun 1980 an, boba mimiti di jieun ku Chun Shu Tang jeung Hanlin Tea Room di kedai Chun Shui Tang. Boba terkenal asup ka Indonesia sigana di tahun 2020 an, nu dagang na mulai ti pinggir jalan, restorant cepat saji, nepi ka restoran mahal nu mewah. Variasi na ge makin kadieu makin loba kitu jeung warna na warna-warni. Mulai ti minuman thai tea, milk tea, ice cream, coffe, croffle jeung dahareun lain na nepi ka jadi topping donat oge.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1979", "text": "Teu aya lepatna upami hoyong nyobaan naek Bandros upami hoyong ngumbara bari ngararasakeun ngurilingan kota Bandung bari ngulik sajarah. tibatan ngalalana nyalira nganggo kendaraan pribadi anu nyababkeun macét, langkung saé urang nganggo jasa Bandros pikeun ngurilingan kota Bandung ku cara anu unik sareng bakal diémutan salamina, komodeui ai ususm halodo dimana cauaca cerah jeung heunteu tiis kumargi upami usum hujan mah bakal ngalaman nu mereunan rada baseuh tiditu-tidieu.. Kumaha tah, aya nu minat jalan-jalan nganggo beus Bandros? Oh enya, salain ngangkut panumpang acak-acakan, bisa nyéwa beus ieu ogé. Mangga ngahubungi kontak anu disayogikeun upami anjeun resep nyéwa unit beus Bandros.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5314", "text": "Unggal malam jumaah, Niki sok ngiringan pangaosan di masjid Al-Ikhlas caket bumina. Pangaosan ieu teh diayakeun na rutin unggal malam jumaah. Biasana pangaosan ieu sok disebut rotinan. Niki ngiringan pangaosan rotinan ieu tos lami, ti anjeunna SMA keneh. Niki tara absen tina ieu kagiatan sabab anjeunna ngarasa butuh kana elmu agama. Niki biasana angkat jeung rerencanganna, Yuli nu bumina caket pisan. Duaan eta teh sok mapah we ka masjidna sabab teu pati jauh ti bumi. Mun uih ti pangaosan teh sok tara langsung uih, tapi sok rapat heula ngobrolkeun program salanjutna nu bade diayakeun. Niki sok angkat wae rotinan mun ujan ageung ge, bebelaan ngange payung jeung rada babaseuhan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6674", "text": "Naon bedana koki jeung chef, dumasar dina pengertian ti kamus cambridge, koki nyaeta jalmi anu tugasna masak nurutkeun pituduh ti resep. Koki biasana sok aya di restoran gede anu menu na seeur sapertos di hotel. Koki gaduh tugas nyiapkeun sagalana kanggo masak, mulai ti bahan, alat, nepikeun masakanna disajikeun ka nu meser. Janten koki teu cekap saukur modal bisa ngahurungkeun kompor hungkul, tapi kedah aya pendidikan na heula. Koki oge kedah kreatif jeung lincah lantaran janten koki artina kedah siap tatih di dapur sababaraha jam. Masalahna teu aya koki anu masakna sabari calik atawa sabari ngalamun, matak janten koki kedah kuat fisikna. Koki oge kedah beresih kusabab tugasna masak kanggo nu sanes, janten kedah kajamin kabersihanna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5774", "text": "Basa poe Minggu kamari, kabeneran cuacana nuju cerah pisan jadi abdi nyobian paralayang, salah sahiji olahraha ekstrem anu ayeuna mah dijadikeun wahana wisata. Abdi ngiringan paralayang di Puncak Bogor. Samemeh maen paralayang, abdi dicek heula kasehatan nana jeung kasesuaian kriteria kasehatan. Geus dinyatakeun lolos, abdi tuluy ngantosan giliran sabab kedah didampingi ku guide nu toa professional di bidangna. Samemeh terjun oge kedah terang heula arah jeung kecepatan angin, teras nungguan cuaca nu pas. Mun usum hujan mah tara aya paralayang sabab resikona tinggi. Harita abdi nyobian paralayang teh nyalira sabab babaturan abdi mah teu tiasa ngiringan da kasehatanna kurang mumpuni. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2737", "text": "Game Shogun 2 ngahususkeun sudut pandangna pikeun perang antara tuan tanah anu disebut Daimyo di Jepang abad pertengahan. Kanyataanna, dina Perang Total saméméhna (Kakaisaran jeung Napoleon), jumlah nagara jeung budaya kalibet dina cukup loba sahingga unit tempur di lapang ogé rupa-rupa wangun jeung fungsi. Dina kaulinan ieu, unit nu tarung lolobana sarua. Bédana, unggal Daimyo miboga unit husus numutkeun kaahlian daérah. Biasana, unit ieu mangrupikeun vérsi anu langkung saé tina unit biasa sareng pungsi anu sami. Kusabab unggal unit tempur dina kaulinan ieu gaduh statistik anu mangaruhan kakuatan tempur na, unit khusus anu gaduh kamampuan anu langkung saé pasti bakal mangpaat pisan di medan perang. Tangtu, kalawan catetan nu Anjeun bisa make eta kalawan strategi katuhu.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8141", "text": "Masarakat ayeuna kudu meuli nu ngarana robot vacuum. Robot vacuum teh robot nu tiasa ngabantos pagawean bebersih sapertos nyapu sareng ngepel. Robot ieu tiasa ngadeteksi tata letak imah ku cara presisi, hade pisan dianggo di lingkungan nu kompleks atanapi imah nu seueur ruanganna. Robot ieu ge tiasa ngajangkau kabeh bagian imah. Pembersihna hade kusabab tiasa nyedot kabeh kokotor nu aya dina ubin bahkan buuk oge tiasa disedot. Kapasitas wadah kokotorna ageung janten teu kudu ribet-ribet mineng ngabersihkeun ieu robot. Robot ieu ge tiasa ngajangkau tempat-tempat nu hese sapertos kolong-kolong parabotan imah. Nu paling hade ieu robot tiasa dikontrol liwat aplikasi smartphhone.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6784", "text": "Lantaran ningal dulur anu tiasa maen gitar, abdi jadi kabita hoyong diajar maenkeun alat musik oge. Baheula pun bapa gaduh hiji gitar, tapi saatos ditambutkeun ka batur gitar na ayeuna leungit teu apal aya di mana. Janten abdi mineng pisan mondok di bumi dulur kanggo maen gitar. Awalna mah ngan diajar cara nyepeng na heula, teras diajar konci-konci na. Lantaran teu sabaran abdi langsung nyobian hiji lagu anu gampil, nyaeta lagu anu judul na lupa lupa ingat. Abdi teras mineng latihan jeung nyobian konci anu sanes na supados tiasa maenkeun lagu anu leuwih seeur deui. Bakating ku mineng latian maen gitar, suku jari panangan nepi ka heuras pisan jeung ngalupas kulit na.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "512", "text": "Imah adat Tagog Anjing salaku salah sahiji imah adat Sunda nu ngaranna dicokot tina ngaran hewan. Naha bet disebut kitu sabab ceuk masarakat Sunda, bentuk imahna ngahaja dijieun mirip jeung anjing nu keur diuk atawa cingogo. Lamun dibandingkeun jeung imah adat Sunda sejenna, imah adat Tagog Anjing mibogaan bentuk imah panggung anu posisina leuwih handap. Ciri khasna sorangan aya tina wangunan nu bentukna pasagi panjang jeung manjang ka arah tukang. Dina bagian hareup imahna oge aya hateup nu nyarambung jang ngajaga bagian imah tina panon poe sacara langsung. Imah adat Sunda Tagog Anjing bisa babari dipanggihan lamun pas keur ka daerah Garut.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8114", "text": "Ayeuna upami ngadengekun siaran radio teh cekap nganggo hp wae. Jaman baheula mah kudu make radio. Radio jaman baheula teh biasana arageung tur dilengkepkeun ku antene. Antene ieu kagunaanna pikeun newak sinyal radio nu disiarkeun ku pemancar. Upami teu aya ieu antene radio teu tiasa dianggo ngadangukeun siaran. Upami milih frekuensi siaran radio teh baheula mah urang kudu taliti kusabab neanganna manual make tombol nu tiasa diputer-puterkeun. Kirang atanapi teubih saeutik frekuensina sora nu kaluar tina radio kekeresekan atanapi teu jentre. Radio jaman baheula dayana teh tina batre janten babaraha bulan sakali tiasa beak tur kudu digentos ku nu anyar.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8104", "text": "Upami hayang ngagentos hp tiasa nyobi milarian hp di vivo festival kusabab aya babaraha hp nu keur dipromokeun. Aya vivo x80 hp kelas luhur nanging pangaos luewih mirah di kelasna. Teras aya vivo v25 nu gaduh kamera alus 64 mega pixel sareng desainna nu unik. Hp ieu tiasa ngagentos warna upami kana panon poe. RAM na 8 GB sareng penyimpan internal 256 GB. Aya oge varian hp nu jiga hp vivo v25 nanging bedana RAM nu kacida ageungna, ngarana nyaeta vivo v25e. Vivo v35e gaduh RAM 12 GB tur tiasa ditambih 8 GB cocog pisan pikeun maen game atanapi download aplikasi nu berat. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "519", "text": "Salah sahiji imah adat Sunda nyaeta ngaranna Imah Badak Heuay. Imah ieu bentukna sederhana. Tina kasederhanaan eta mibogaan nilai filosofis nu ngalambangkeun kaharmonisan, kasahajaan, someah, sopan jeung kekeluargaan. Sabab imah Badak Heuay mibogaan dua sisi nyaeta sisi panjang nu handap ka tukang jeung numpang ka sisi pendek di bagian hareup imah. Imah adat ieu bentukna panggung jeung kolong imah luhurna satengah meter nepikeun ka dua meter. Dumasar kana luhurna eta cukup gede jang tempat hirup binatang peliharaan jeung tempat nyimpen alat tatanen. Imah ieu oge dilengkapan ku golodog nyaeta tangga tina kai nu fungsina jang ngahubungkeun taneuh jeung teras imah. Tembokna oge dijieun tina anyaman awi nu ederhana nu bisa disebut bilik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7919", "text": "Basa abdi nuju mondok di kosan rerencangan, abdi ngalaman sababaraha kajadian. Jadi kosan anu ditempatan ku urang teh sabeulahan jeung hiji kulawargi anu gaduh hiji murangkalih, hiji kulwargi eta tiluan cicing dina hiji kosan anu teu pati badag janten sagala aktivitas anu dilakukeun di kosan sabulah bakal kadangu ku abdi sareng rerencangan abdi. Hiji peuting, abdi ngadangu aya sora ibu-ibu anu ngagorowok sabari aya sora ngajedug kana tembok. Teu lila aya sora budak leutik anu ceurik. Abdi ngadangu eta sieun pisan, bisi aya nanaon. Tina sorana mah jigana teh aya nu disiksa. Abdi sareng rerencangan langsung cicing sabari ngaregepkeun naon anu nuju kajadian di dinya. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8660", "text": "Hese ngajelaskeun persis kumaha salamet di gunung sabab unggal jalma gaduh pangalaman anu beda. Nalika leungit di pagunungan, jalma bakal ngarasa sieun sareng hariwang, khususna upami kaayaan cuaca goreng sareng sumber daya terbatas. Nalika salamet di gunung, urang kedah bajoang pikeun nyumponan kabutuhan dasar sapertos tuangeun, inuman sareng panyumputan. Watesan ieu tiasa ngajantenkeun jalma terasing sareng kaancam. Bari salamet di gunung, jalma bisa ngarasa hariwang jeung teu pasti ngeunaan mangsa nu bakal datang. Aranjeunna henteu terang iraha eta bakal kapendak atanapi kumaha cuaca sareng lingkungan bakal robih. Nanging, salian ti hal-hal anu sesah ieu, salamet di gunung oge tiasa masihan kasugemaan sareng rasa prestasi nalika hiji jalma suksés ngatasi tantangan sareng gelut pikeun ngajaga kahirupan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3845", "text": "Basa poe mingu kamari, urang jeung babaturan nyobaan ulin ka KFC Cafe nu aya di purwakarta. Tempat na ngeunaheun gede, strategis sisi jalan gede rame di pusat kota. Urang datang kadinya sore-sore jadi can pati rame. Pas nepi langsung datang ka kasir terus pesen mocca float, cream puff, chicken ball, jeung mozza roll. Mun soal rasa sabenerna mah nya biasa wae enak, tapi biasa eweh nu spesial. Mocca float teh angger kopi di es kriman, mun cream puff nya kueh anu aya cream na, mozza roll nya siga kebab beda na nya ieu keju nu dibungkus, tapi chicken ball na enak rasa baso ayam hargana murah ngan sabelas rebu isi na genep cocok jang ngaganjel beuteung mun keur lapar. Sabenerna lamun niat ka KFC cafe teh ku rasa lapar teu cocok soalna harga rata-rata menu na mahal padahal mah rasana biasa wae. Mun jang nongkrong mah jigana KFC cafe cocok pisan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "591", "text": "Sangu timbel mangrupakeun bagean ti kahirupan masarakat Sunda. Di mana pas baheula mah masarakat Sunda nu bakal indit ka sawah jeung perjalanan jauh sok mawa sangu nu dibungkus dina daun cau supaya hemat jeung praktis. Baheula mah sangu timbel kasohor salaku kadaharan masarakat menengah kahandap. Sabab piring mangrupakeun parabot dahareun nu hese dipanggihan jadina masarakat Sunda ngagunakeun daun jang alternatif kanggo ngabungkus jeung tempat daharna. Lamun baheula nu resep sangu timbel teh kalangan menengah kahandap, ayeuna mah sangu timbel teh mibogaan nilai ekonomi anu mahal jeung disajikeun di restoran-restoran. Hal ieu kajadian lantaran masarakat kota sono kana suasana desa jeung seungitna sangu nu dibungkus ku daun cau.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8680", "text": "Jalma-jalma ngalaman langkung seueur kasusah nalika bencana alam nalika aranjeunna henteu siap sabab henteu terang naon anu kudu dilakukeun sareng henteu gaduh sumber daya anu cukup pikeun nyanghareupan kaayaan darurat. Upami jalma henteu terang naon anu kedah dilakukeun nalika aya bencana alam, aranjeunna bakal ngarasa bingung sareng panik. Eta bisa jadi teu nyaho kumaha carana nyingkahan bahaya atawa ngevakuasi aman. Nalika aya bencana alam, sumber daya sapertos cai, kadaharan, sareng ubar tiasa dugi atanapi henteu aya. Jalma anu henteu siap tiasa henteu gaduh suplai anu cekap atanapi terang kumaha milarian sumber-sumber ieu. Ku alatan eta, penting pikeun nyiapkeun diri sabisa-bisa supados anjeun tiasa nyanghareupan kaayaan darurat kalayan tenang sareng ngirangan resiko sareng dampak anu tiasa kajantenan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4550", "text": "Aya rupa-rupa mangpaat olahraga anu tiasa dirasakeun boh dina jangka pondok sareng jangka panjang. Henteu ngan ukur mangpaat pikeun kaséhatan fisik, olahraga ogé tiasa ningkatkeun kualitas kahirupan. Ku latihan rutin, anjeun tiasa langsung meunang loba mangpaat olahraga. Sajaba ti éta, aya ogé loba mangpaat olahraga nu bisa Anjeun meunangkeun engké dina jangka panjang. Olahraga mangrupa gerakan awak anu boga pangaruh kana awak sakabéhna. Latihan, sapertos leumpang, lumpat, nari, ngojay atanapi yoga, ngarangsang otot sareng sagala rupa bagian awak pikeun gerak. Aktivitas fisik anu teratur tiasa ngirangan gajih awak sareng ngawangun massa otot sareng ningkatkeun métabolisme awak. Upami dibarengan ku asupan gizi anu pas, latihan tiasa ngabantosan anjeun ngirangan beurat bari nyegah obesitas salaku pemicu sagala rupa panyakit.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4117", "text": "Urang salaku umat manusa anu loba dosa, kuduna mulai ngabenerkeu diri bebenah ngajafdikeun diri urang leuwih alus deui ka hareupna ku sabab urang teu nyaho iraha nyawa urang bakal di pundut ku malaikat maut. Matakna di bulan anu alus ieu hayu urang sarerea babarengan jeung reng reng an urang berlomba lomba tina kabaikan anu biasa di sebut fastabikul khairat. Kebaikan teh loba pisan macem na teu kudu nu gede tur riweh. Urang bisa mulai kabakan tina ngajaga kabersihan sabab kabersihan sebagian ti iman, urang ngabersihan lingkungan, ngabersihan hate ti sagala panyakitna. Allah maha apal ka sagalaperbuatan manusa, lamun niat urang alus niat urang keur kabaikan sakumaha nu ku urang di pigawe pasti moal elat ti perhatianna gusti Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "456", "text": "Jenis-jenis hewan kurban anu bisa dipeuncit, ieu penting sabab mangaruhan ibadah urang sah henteuna. Nu kahiji domba, domba kaasup hewan nu bisa dikurbankeun, tapi minimal nu geus usiana sataun atawa geus ganti huntu. Lamun can nepi sataun usiana, atawa can ganti huntum domba eta can bisa dikurbankeun. Nu kadua onta nu usiana minimal lima taun, batas usia jang dijadikeun hewan kurban nyaeta lima taun. Harga onta oge kaasup cukup mahal. Ku sabab eta, meuli hewan kurban onta bisa dilakukeun sacara udunan. Jang hiji onta bisa udunan tujuh atawa sapuluh jelema. Nu katilu sapi atawa munding, sapi jauh leuwih populer jang dijadikeun hewan kurban nu dipilih, tibadan munding. Tapi dua-duana masih bisa dijadikeun hewan kurban minimal umur dua taun. Sapi atawa munding ge bisa dikurbankeun ku cara udunan ku 7 orang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2255", "text": "Carita dina Al-Qur'an mangrupa carita anu pohara husus anu kualitasna kacida luhurna, miboga ajén jeung tujuan anu kacida luhungna. Jeung mangrupa kaistimewaan yen carita-carita anu aya dina Al-Qur’an henteu ngandung unsur-unsur fantasi atawa hal-hal anu can kungsi kajadian (QS. Al-Isra ayat 105). Manna al-Khalil al-Qathtahn ngahartikeun qishashul quran salaku warta Al-Qur'an ngeunaan urusan umat baheula jeung nabi, ogé kajadian anu lumangsung sacara empiris. Jeung sabenerna Al-Qur'an teh ngandung loba pisan kajadian-kajadian anu geus kaliwat, sajarah bangsa-bangsa, nagara-nagara, desa-desa samemehna sarta nyaritakeun unggal jalma kalawan jalan surat alnathiqah (maksudna saolah-olah anu maca carita jadi palaku sorangan anu nyaksian eta kajadian). Ahmad Khalafullah dina disertasina, saparantos netepkeun téori ngeunaan kasenian dongéng anu aya dina Al-Qur’an. Di antarana, kahiji, wangun sajarah (laun bintanghi) anu ngawengku palaku sajarah nyata jeung kajadian faktual. Kadua, wangun gambaran (laun tamtsili) anu ngamungkinkeun tokoh-tokoh imajinér jeung fiktif sarta kajadian-kajadianana henteu kudu faktual. Katilu, wangun dongéng (laun usthuri) anu diwangun ku dongéng-dongéng masarakat legendaris. Carita wangun ieu biasana kapanggih dina masarakat primitif anu percaya kana mitos.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3047", "text": "Kuring geus digawé di tilu wewengkon puseur bisnis elit, dimimitian ku Rasuna Said, Sudirman jeung ayeuna di Thamrin. Sababaraha urang nyebutkeun tilu wewengkon ieu gudang pikeun executives ngora, alias wewengkon impian pikeun Jobseekers. Urang cobian parios sareng kulik dumasar kana pangalaman kuring, panginten tiasa béda persepsi anu sanés. Ngan cokot tina kahirupan sapopoe ngarah teu serius teuing. Lamun datang ka pagawean, éta sarua keur unggal lianna. Kahiji, urang mimitian ti wewengkon Rasuna Said, kuring bakal nyebutkeun wewengkon ieu masih tengah. Tempatna henteu teuing di 'pusat' Jakarta, alias masih di wates antara Mampang, Casablanca jeung jalan kaluar Jakarta. Kumaha kahirupan para karyawan di kantor Rasuna Said, alias ngaran séjén pikeun wewengkon Kuningan? Cenah mah masih dina tingkat nu lumrah. Tingkat setrésna henteu luhur teuing sabab macétna henteu parah sapertos daérah sanés. Balik ka imah can nungguan. Henteu ngantosan lalu lintas. Ngobrol ngeunaan fashion jeung gaya warga kantor di dieu, éta masih baku. Pausahaan daerah Rasuna ceuk rata-rata masih dina skala sedeng luhur. Kalolobaan aranjeunna malah kantor kedutaan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2794", "text": "Ampir kabéh kaméra digital mirrorless dilengkepan monitor LCD pungkur nu ngidinan Anjeun pikeun moto dina tempoan langsung (ie. Nu leuwih luhur resolusi monitor (diukur dina titik per inci, atawa dpi), layar bakal leuwih caang jeung seukeut. Sababaraha monitor dibereskeun, sedengkeun anu sanésna didengdekkeun dina dua arah atanapi langkung, sahingga ngagampangkeun ningali layar dina kaayaan caang (sapertos di luar di panonpoé) sareng némbak ti sudut luhur atanapi handap pikeun kanyamanan atanapi kreativitas. Anu sanésna deui diucapkeun sacara lengkep - nyaéta, aranjeunna tiasa dibalikkeun ka hiji sisi (guna pikeun ngarékam vlog, contona) sareng dihurungkeun ka luar pikeun panyalindungan nalika henteu dianggo. Kadali layar rampa beuki umum dina monitor tampilan kaméra sareng pasti patut dipertimbangkeun nalika milih kaméra tanpa kaca. Nalika tombol fisik sareng kadali dial tiasa dioperasikeun tanpa anjeun kedah ningali ti viewfinder, kadali layar rampa tiasa langkung gancang sareng intuitif pikeun nyaluyukeun pungsi atanapi setélan anu tangtu, sapertos fokus titik.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4252", "text": "Pintonan seni tari kecak ngahadirkeun tarian minangka bubuka carita, dirojong ku musik pikeun marengan gerak-gerak para penari.Dina pagelaran tari Kecak, sora musik dijieun acapella hasil gabungan sora-sora penari “cak” biasana aya kira-kira 50-70 urang, sakumaha anu dicutat tina buku Keanekaragaman Tari Nusantara karya Resi Septiana Dewi. S.Pd. Hiji penari baris mingpin kalayan méré nada awal, tuluy dituluykeun ku saurang panyanyi solo kalayan tekanan nada luhur atawa handap, sarta aya saurang deui anu ditugaskeun jadi dalang pikeun nepikeun alur carita. Tari Kecak ngutamakeun alur carita jeung campuran sora.Henteu ngan éta, lantaran kaasup tari, tari ieu ogé dilengkepan ku pintonan drama anu midangkeun tokoh-tokoh Ramayana. Adegan-adegan dina tari Kecak diantarana Adegan Rama, Sita (ogé tiasa dieja sareng Sinta), sareng Kijang Emas, Adegan Sita, Rahwana jeung Garuda, Adegan Twalen, Rama, Laksamana, sareng Hanuman, Sta, Trijata jeung pamandangan Hanuman.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8875", "text": "Kuring kakara sadar yen kuring boga mesin cuci hiji tabung, mamang kuring basa eta masihan ka kuring. Sugan teh eta mesin cuci rusak, janten kuring sareng kulawarga henteu kantos nganggo éta. Tapi tétéla yén sanggeus dicobaan, mesin cuci teh geuning masih jalan, tapi sanggeus ngan sababaraha minggu eta mesin cuci teh ruksak deui. Dina hiji poe kuring keur ngeusian cai kana mesin cuci, tapi kuring ninggalkeun, teu sadar cai nu dieusian geus pinuh malah banjir, caina kaluar tina mesin cuci, meureun eta oge salah sahiji penyebab ruksakna mesin cuci kuring. Tungtungna bapa kuring nelepon hiji toko jasa pikeun ngalereskeun mesin cuci, sarta sanggeus sababaraha jam perbaikan mesin cuci bisa dipaké deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "988", "text": "Smartphone atawa perangkat pintar umumna dibekelan ku fitur nu bisa ngalacak kaayaan perangkat eta. Perangkat jieunan Apple, siga iPhone, iPad, Apple Watch, jeung MacBook aya fitur nu ngaranna Find My nu bisa digunakeun jang ngalacak lokasi perangkat-perangkat eta. Fitur Find My jadi obrolan di internet, lantaran bisa nyalametkeun awewe pengguna iPhone asal Amerika Serikat nungalaman kacilakaan mobil jeung labuh ka jero jurang. Manehna salamet saenggeus pihak kulawarga ngaktifkeun fitur Find My, jang neangan kulawargana nu teu sumping wae, nu geuningan mah keur ngalaman kacilakaan. Nu menarik mah, fitur Find My oge bisa dimangpaatkeun aparat kepolisian kota San Antonio jang ngalacak aksesori AirPods nu dibawa maling.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1878", "text": "Meureun loba jalma anu teu nyaho kana rasa es boba. Naha és krim ieu bakal nikmat sapertos nginum boba langsung? coba rasana. Numutkeun aranjeunna, rasana nyegerkeun pisan. Chu resep rasa tea anu kuat sareng seungitna anu saé. És krim ogé henteu amis teuing. Bar es krim ieu ogé ngabogaan rasa saimbang jeung rasa rada pait tea dicampur susu lemak. Rasa tea ogé ngagaduhan kesan kembangan sareng tiasa nembus rasa krim tina susu. Sedengkeun Reyes resep és krim ieu kusabab ambu na. Nyobian basa Dker, rasa susu dina és krim pisan lemes jeung creamy. Karasa rada creamer jieunan di dinya. Rada béda jeung inuman boba biasa nu ukur maké susu seger. Aya ogé rasa karamel anu amis anu asalna tina gula aren dina és krim. Salian rasa amis, gula aren ogé méré wangi khas santer sorangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4083", "text": "Sholat fardhu hukum na wajib keur umat islam nu hartina lamun teu di lakukeun nyaeta dosa, beda jeung sholat sunah anu hukum na sunah nyaeta lamun di lakukeun meunang pahala lamun teu di lakukeun teu meunang dosa. Sholat wajib lantara asup kana bagian tina salah sahiji rukun Islam anu kudu urang laksanakeun saenggeus syahadat. Sholat ka asup ibadah wajib nu di utamakeun pisan samemeh puasa, zakat jeung naek haji. Sholat teh tiang agama nu jadi pondasi keur amal ibadah urang sarerea. Ibadah sholat nuduhkeun yen urang ta'at ka Allah SWT. Sholat teumeunang pisan di tinggalkeun kumaha ge kaayaana, tapi sholat ge teu ngabeuratkeun lamun keur gering teu bisa nangtung sholat bisa di kerjakeun bari diuk atawa bari ngoler.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2742", "text": "Syarat jang nyieun pasukan nu efektif, anjeun kedah ati-ati nalika ngarekrut pasukan. Total War Shogun 2 béda ti kaulinan strategi séjén nu ngan kudu mikir ngeunaan jenis unit anjeun ngawangun jeung duit ngawangun aranjeunna, nah ieyu pepeujeuh jang nyieun [asukan nu efektif. Dina kaulinan ieu, kahiji anjeun ogé kudu mikir ngeunaan biaya ngajaga sakabéh unit anjeun ngawangun! Prajurit oge manusa anu butuh duit gaji. Kadua kadaharan, pangropéa pakakas tempur! Sateuacan ngawangun pasukan, pastikeun anjeun ngitung heula biaya perawatan sareng bandingkeun sareng panghasilan anu anjeun kéngingkeun dina unggal giliran maen. Katilu nyaeta Ulah sampe ngantep, anjeun bisa bae meunang dina perang tapi teu bisa ngawangun propinsi sabab duit béak pikeun mayar gaji pasukan, hal eta mangrupakeun anjeun lalai dina permainanna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4194", "text": "Aya babaraha kaunikan Imah Joglo unik tur has nu teu bisa kapanggih di imah adat lianna misalna kahiji Arsitéktur Wangunan arsitéktur imah Joglo béda jeung anu séjénna, ieu wangunan miboga ciri anu unik sarta menawan. Dimimitian tina wangun arsitéktur, kamar-kamar anu aya di imah, ogé fungsi unggal rohangan di imah anu béda-béda sarta ngajadikeunna leuwih unik. Salian ti éta, wangunan imah Joglo ogé ngalarapkeun ajén-inajén filosofis Jawa dina saban bagéanna. Hal ieu ngajadikeun imah Joglo karasaeun leuwih istimewa jeung has. kadua Tihang Gedong Imah Joglo sok dilengkepan ku opat tihang utama atawa anu disebut saka guru. Saka guru mangrupa pondasi atawa pondasi utama anu boga fungsi minangka pangrojong sakumna imah Joglo. katilu Teras Lega Salah sahiji ciri imah Joglo nyaeta dilengkepan ku téras anu lumayan gedé. Ieu bisa kapanggih di imah adat Jawa Tengah sejen tur mibanda fungsi sorangan. Di imah Joglo, téras lega fungsina minangka tempat interaksi sosial antara warga imah jeung jalma séjén, kaasup pikeun silaturahmi. kaopat Loba Jandela Gedé Di imah Joglo, anjeun bakal manggihan jumlah badag jandéla badag. Wangun jandéla mangrupa salah sahiji warisan ti jaman kolonial Walanda, tapi dina jandéla imah Joglo ogé dijieun kombinasi arsitektur Jawa. Jumlah jandéla di imah Joglo bisa ngahontal puluhan, sahingga katingal malah leuwih unik tur béda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7105", "text": "Dicutat tina buku Toleransi Beragama karangan Dwi Ananta Devi (2020: 15), Vihara (dibaca \"vihara\" - V diucapkeun W) nyaeta tempat ibadah umat Budha. Sacara harfiah, vihara nyaeta tempat padumukan anu lamun dihartikeun dina basa Pali, hartina kaayaan mental hiji jalma. Aya 3 jenis biara, nyaeta Dibha Vihara, Brahma Vihara jeung Ariya Vihara. Brahma Vihara ngandung harti yen pikiran teh ibarat tempat cicingna para Brahma, sedengkeun Ariya Vihara miboga harti kualitas batin anu murni, saimbang, teu kasered ku sagala rupa parobahan, pikiran jalma anu geus ngahontal kasucian. Vihara beda jeung klenteng dina hal arsitektur, umat, jeung fungsi. Candi dina dasarna arsitektur tradisional Cina jeung fungsi salaku tempat pikeun kagiatan sosial sajaba ti fungsi spiritual, sedengkeun biara mibanda arsitektur lokal sarta biasana ngan boga fungsi spiritual.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8689", "text": "Setres nyaeta respon fisiologis awak kana kaayaan anu dianggap ngancam, boh sacara fisik boh sacara psikologis. Nalika awak ngarespon stres, sajumlah hormon sapertos kortisol sareng adrenalin bakal dileupaskeun ka awak anu tiasa ningkatkeun denyut jantung, tekanan darah, sareng ngaganggu sistem pencernaan sareng bobo. Samentara eta, lamun stress lumangsung pikeun lila, eta bisa ngaronjatkeun risiko sagala rupa masalah kasehatan kayaning nyeri sirah, gangguan pencernaan, kahariwang, depresi, komo masalah jantung. Ku sabab kitu, penting pisan pikeun ngaleungitkeun setres supados awak tiasa normal deui sareng ngajaga awak sareng pikiran anu sehat. Gemblengna, relief setres penting pisan pikeun ngajaga kasehatan fisik sareng mental, ningkatkeun kualitas kahirupan, produktivitas, sareng kabagjaan. Ku ngirangan setres, jalma tiasa ningkatkeun kasehatan sareng kabagjaan sareng ngahindarkeun resiko masalah kasehatan sareng psikologis.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6538", "text": "Pada dasarna mah manusa hirup teh kuduna mah cukup ku saderhana. Nu mantak mewah mah sabenerna kahayang jeung gengsi hungkul, hawa nafsu manusa di dunia. Buktina we masyarakat di desa nu hirupna sederhana, tapi bisa bertahan dina kahirupannana. Biasana mah hirup masyarakat desa teh leuwih saderhana pisan tibatan orang kota, nanaon na ge serba cukup ku samahi-mahi, teu kudu hal-hal nu mewah. Sakituna ge buktina bisa ngahirupan jeung nyukupan kabutuhan hirup. Kudu diconto pisan sabab sagala harta teh teu bisa dibawa maot, kur cukup dinikmati di dunia. Mantakna, yuk biasakeun hirup saderhana! Teu kudu loba hal nu mewah, cukup ku nu dibutuhkeun kacukupan we!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6499", "text": "Abdi teh gaduh hiji babaturan nu wawuh ti zaman kuliah keneh. Mimiti wawuhna teh sabab saasrama basa keur kuliah. Unggal poe amprok jeung sering deuih ngalakukeun aktivitas nu sarua, misalna ngahadiran seminar, kagiatan asrama, jeung sajabana. Malahan basa abdi teu damang ge anjeunna mah nguruskeun pisan kana sagala kaperluan abdi. Mantak abdi mah moal miceun pisan sabab geus percaya pisan ka anjeunna. Mun aya nanaon ge ka anjeunna abdi mah sok langsung pasang badan we da anjeunna mah sok tara wantun nembal ka sasaha ge. Malahan mah nepi ka ayeuna mun hoyong nanaon ge sok teu asa-asa we da geus saling percaya tea, euweuh nu canggung jeung euweuh nu ditutup-tutupan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1872", "text": "Dilanjut kana cara nyeiun martabak mini Cara nyieun:na nyaeta\n1. Campur endog, gula, uyah jeung ragi instan.\n2. Lajeng aduk nepi ka gula larut sarta rata.\n3. Tambahkeun tipung, tipung tapioka jeung cai bari terus aduk nepi ka adonan ngahontal tekstur cair katuhu.\n4. Tambahkeun mentega dipanaskeun tumut aduk-aduk.\n5. Cicing pikeun ngeunaan 15-20 menit.\n6. Sanggeus éta, tambahkeun baking powder, aduk rata.\n7. Dina loyang martabak mini, tuang nepi ka loyang atawa Teplon anu dipaké satengah dieusian.\n8. Antosan dugi pori leutik muncul dina beungeut cai.\n9. Teras tutup sakedap.\n10. Buka tutup kapang, piceun lamun karasa adonan geus coklat.\n11. Pamustunganana, Anjeun bisa nambahkeun topping nurutkeun karaos anjeun, kayaning gula, susu kentel amis, meises, jeung selei..", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7036", "text": "Maryam. Hiji wanoja anu gaduh carita hirup anu luar biasa. Ngaran manehna disebutkeun di Al-Qur'an, aya hiji surat dina Al-Qur'an anu namina Surat Maryam. Siti Maryam lamun ningal silsilah kulawargina asalna ti Bani Israil. Manehna dilahirkeun ti kulawargi anu beresih jeung soleh. Matak teu heran Maryam oge janten jalmi anu Sholehah. Manehna janten ahli ibadah, teu pernah kaluar ti mihrab tempat manehna diajar agama. Bakating ku solehahna lamun ditaros pasti ngajawab \"ti Gusti Alloh\". Hiji poe manehna hamil padahal teu pernah pacampur jeung lalaki. Bayi anu dilahirkeun ku Maryam nyaeta Nabi Isa. Teu kabayang kumaha muliana Maryam janten mamah sareng bapa kanggo Nabi Isa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9507", "text": "Nonton pilem asli penting pisan pikeun ngadukung industri pilem sareng pembuat film. Nalika urang lalajo film asli, urang nyadiakeun rojongan pikeun seniman pilem sarta produser, anu ngamungkinkeun aranjeunna neruskeun nyieun kualitas sarta ngahibur urang. Salian ti eta, nonton pilem asli oge bisa ngabantu keur ngajaga standar kualitas pilem anu luhur, sabab produsen film terang yen aranjeunna gaduh panongton anu ngadukung karyana. Salian ti eta, nonton pilem asli oge tiasa ngabantosan ngajaga hak cipta sareng hak cipta intelektual. lamun urang lalajo film asli, urang mastikeun yen seniman pilem ngarasa karya maranehanana diapresiasi, anu ngamungkinkeun aranjeunna neruskeun karyana sarta nyadiakeun pilem-pilem saterusna anu miboga kualitas tinggi. Janten, upami anjeun hoyong ngadukung industri pilem sareng produsen film, atanapi upami anjeun hoyong mastikeun yen anjeun ngonsumsi konten anu berkualitas, hayu urang nonton pilem asli! Ieu henteu ngan ukur ngabantosan ngajaga hak cipta sareng hak cipta intelektual, tapi oge bakal ngabantosan produsen film pikeun terus nyiptakeun konten anu berkualitas.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6105", "text": "Sabagean besar mahasiswa nu lulus kuliah teh fokus ka neangan gawe, ngalamar kaditu kadieu. Rata-rata nu jadi inceranna teh nyaeta perusahaan di handap naungan BUMN. Salian lingkunganna nu alus jang perkembangan kamampuan jeung karie, oge tina segi tunjangan jeung penghasilan nu teu kalah fantastis. Seleksi masuk BUMN teh diayakeun terpusat ku kementerian BUMN di periode tartangtu. Biasana mun geus jadi pegawai corporate teh sok gaduh gengsi sorangan, komo mun bergerak dina perusahaan bidang startup mah, cocok pisan jang ngembangkeun kamampuan jeung katerampilan. Salian eta, melalui jadi pegawai BUMN, urang ge bakal bisa kontribusi sacara nyata ka negeri urang tercinta, Indonesia.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6636", "text": "Urang sunda biasana sarapan make gorengan. Aya rupi-rupi gorengan anu biasa didamel, tapi gorengan anu paling sering aya nyaeta bala-bala jeung gehu. Ayeuna urang bahas cara ngadamel bala-bala ala urang Sunda. Bala-bala biasana didamel ti sayuran nyaeta engkol jeung wortel anu dicampur tarigu jeung cai nepikeun janten adonan baseuh, tong hilap ditambihan bungbu uyah, panyedap, gula sareng bawang daun upami bade. Upami tos siap adonan nana tiasa langsung digoreng atanapi disimpen heula dina kulas supados ngke garing pas digorengna. Aya oge nu sok nambihan baking powder ngarah awet garingna teu gampang melempem. Bala-bala paling nikmat didahar pas keur haneut-haneutna make cengek hejo.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8065", "text": "Graham potter nyaeta nu ayeuna ngalatih Chelsea berisiko didepak. Asup akal saleresna kusabab klub asal London Barat ieu performana keur turun ahir-ahir ieu. Di liga Inggris, The Blues ngan tiasa menangkeun hiji pertandingan tina total dalapan pertandingan. Perkawis eta nyebabkeun Chelsea turun ka peringkat sapuluh di klasemen liga Inggris. Pemecatan Graham Potter tiasa wae jadi solusi pikeun malikeun performa klub ieu, ditambih manajemen Chelsea nu anyar pasti ngalakukeun penyesuaian-penyesuaian di klub ieu kaasup penyesuaian pelatih. Nanging saacan nyokot keputusan, Chelsea kudu mikirkeun oge faktor-faktor nu sanes sapertos faktor pemain. Ayeuna kudu aya evaluasi nu tiasa nganilai kaadaan klub hiji ieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9399", "text": "Poe saptu kamari, kuring nganjangan salah sahiji restoran anu viral di Jalan Bukit Dago Selatan No. 12, ngarana Kalamula. Restoran ieu kaasup hidden gem atawa tempat nu nyingkur, tapi miboga suasana nu genah keur niis. Kalamula nyaeta restoran anu nyadiakeun menu-menu khas Melayu. Menu-menu saperti Ayam Cincalook, Nasi Hainan, jeung Nasi Lemak bisa dipesen di Kalamula. Olahan roti saperti roti srikaya jeung paw ayam oge teu eleh rasana. Rupa-rupa kopi jeung enteh oge bisa dipesen di Kalamula. Salian ti dahareunna nu ngeunah, tempatna oge matak betah. Interiorna khas imah jaman baheula nu tehelna masih keneh make ubin jeung jandela-jandela nu tralisna sederhana pisan. Aya oge ruangan musik keur muter piringan hitam lagu-lagu Melayu sarupaning lagu P. Ramlee, Siti Nurhalizah jeung sajabana. Nganjang ka Kalamula jadi salah sahiji pangalaman kulineran anu ngeuna pisan kana manah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9339", "text": "Dina hubungan jeung babaturan oge, hiji hal anu kudu dihindari nyaeta rasa gengsi. Sipat gengsian disababkeun ku kasieun sababaraha individu ngalawan tampikan ti individu nu séjén. Contona, kawas urang ngajak babaturan heubeul, tapi babaturan heubeul ieu nolak ondangan urang. Ku alatan éta, sanajan maranéhna nolak uleman urang, bisa jadi maranéhna bener keur sibuk, atawa memang papanggih jeung urang sanes prioritas utama pikeun maranéhanana. Pikeun bisa manggihan réaksi babaturan heubeul nalika urang ngajak maranéhna pikeun ngumpul, mangka kudu aya salah sahiji anu nurunkeun gengsina. Da henteu gampang pikeun ngaleungitkeun kareueus, tapi urang ogé kedah diajar ngaleungitkeun éta supados silaturahim urang langkung saé.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5083", "text": "Poe Rebo isuk-isuk pun raka tos nyampeur ka bumi. Abdi jeung mamah nuju siap-siap keneh. Oh enya, ayeuna teh arurang bade angkat ka bumi dulur, bari ngalongok da tos lami teu pependak. Mumpung aya keneh umur, yu ah baraya urang eatkeun silaturahmi jeung dulur ku cara ngunjungan tempatna. Teu kudu barangbawa atawa rariweuh, cukup hal saderhana ge nu penting mah tiasa mawa bungah. Contona liburan, mun bisa mah mangfaatkeun jang ngalongokan dulur, bari ulin di deukeut imahna. Tah abdi jeung pun raka jeung mamah teh bade ngalongok dulur sakalian bade ngojay di kolam renang deukeut bumina. Itung-itung liburan we, iraha deui kan. Tah yu ah baraya tips ieu bisa dicobaan jang ngalongokan dulur!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "160", "text": "Awal taun 2022, urang camping di Gunung Putri jeung Sutra, Mulyana, Alfin. Berangkat ti imah sewang-sewangan, titik kumpulna di Indomart deukeut Gunung Putri. Kabeh geus boga tugas masing-masing. Alfin nu sewa tenda, Mulyana nu meuli kadaharan jang dipasak, Sutra nu mawa alat-alat masak, lamun urang mawa sleeping bag. Urang indit isuk-isuk sakalian nyampeur si Mulyana sabab imahna kaliwatan. Saenggeus kabeh kumpul di tempat nu dijangjikeun, arurang indit babarengan ka Gunung Putri na. Geus tepi lajeng tracking heula neangan spot jang masang tenda. Harita geus rada beurang menuju sore, jadi urang jeung Sutra masang tenda, sedengkeun Alfin jeung Mulyana nyieun dahareun. Isukna, arurang ka Curug Layung sabab lumayan deukeut ti tenda mah. Didinya foto-foto, tadina hayang ngojay tapi teu mawa baju ganti. Beurangna arurang beberes tuluy balik deui ka imah sewang-sewangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8095", "text": "Ieu kumaha carana maen Tetris sacara umum. Tetris tiasa dicoo dina sababaraha platform, sapertos konsol kaulinan, komputer atanapi smartphone. Pilih platform anu paling cocog sareng kabutuhan sareng karesep anjeun. Saatos milih platform, anjeun tiasa ngamimitian kaulinan ku milih modeu kaulinan anu sayogi. Aya sababaraha modeu kaulinan anu anjeun tiasa milih, sapertos mode marathon, mode sprint, atanapi mode ultra. Dina Tetris, anjeun kedah mindahkeun blok anu ragrag ti luhur ka handap sareng nempatkeunna leres di handapeun layar. Anjeun tiasa nganggo kenop panah atanapi layar rampa (gumantung kana platform anu anjeun anggo) pikeun mindahkeun blok ka katuhu atanapi ka kenca, muterkeun blok, atanapi ngagancangkeun turunna blok. Unggal blok bakal lungsur langkung gancang dina waktosna. Anjeun kedah nyobian nempatkeun blok-blok gancang-gancang supados henteu tumpukan di luhur layar.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2364", "text": "Sedengkeun pikeun dangdut anu geus meunang keuna instrumén jeung pulas musik daerah masing-masing, sarta dibédakeun ku basa dina lirikna, ogé ngeuyeuban khazanah musik dangdut sorangan (sub-genre). Éta sababna dangdut disebut musik persatuan atawa musik nagara kuring. Miang tina patarosan anu nyebat dangdut teh lagu pop daerah, sim kuring saterasna hoyong nyobian ngarecah musik anu kasang tukang sajarah sareng timeline anu marengan musik melayu sareng musik daerah sanesna supados leres-leres janten... dangdut. Sedengkeun pikeun dangdut anu geus meunang keuna instrumén jeung pulas musik daerah masing-masing, sarta dibédakeun ku basa dina lirikna, ogé ngeuyeuban khazanah musik dangdut sorangan (sub-genre). Éta sababna dangdut disebut musik persatuan atawa musik nagara kuring.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4499", "text": "Matras yoga mangrupa salah sahiji asesoris olahraga dipaké pikeun nyegah leungeun jeung suku anjeun ti slipping salila latihan yoga. yoga mangrupikeun bentuk latihan kuno anu museurkeun kana kalenturan, kakuatan sareng engapan pikeun ngamajukeun karaharjaan fisik sareng mental. Kusabab éta diwangun ku rupa-rupa gerakan anu tiasa dilakukeun di jero ruangan sareng di luar, mat yoga diperyogikeun khusus pikeun nyegah tatu sareng maksimalkeun gerakan anjeun Pikeun ngirangan résiko tatu (sapertos leueur leungeun sareng suku) bari ningkatkeun sikep sareng kauntungan. tina latihan yoga sacara maksimal sareng tuntas, kedah aya guru atawa contohna. Matras yoga mangrupikeun alat anu tiasa ngabantosan anjeun posisi awak leres nalika latihan yoga anjeun. Ieu nunjukkeun 'rentang gerak' anjeun nalika latihan, ku kituna pose yoga anjeun tetep difokuskeun kana daérah gerak anjeun sareng nyingkahan résiko slipping.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3055", "text": "Gaduh usaha anu nguntungkeun leres-leres ngabantosan ékonomi urang sareng tiasa ngajantenkeun anjeun beunghar. Salami anjeun pinter sareng rajin ngokolakeun unggal usaha anu dijalankeun, kauntungan bakal datang terus. Di bumi, urang tiasa ngalakukeun kasempetan bisnis anu tiasa dianggo salaku usaha di bumi? Di handap ieu conto anu geus kabuktian anti rugi jeung boga modal cukup. Anjeun tiasa nyandak hiji pilihan ieu, upami anjeun hoyong gaduh usaha leutik nguntungkeun. Malah leuwih alus lamun catering imah anjeun narima pesenan pihak kawinan, omzet pasti naek sababaraha kali. Kira-kira puluhan juta kana akun anjeun. Usaha ieu ngan ukur gaduh Rp. 5 juta rupiah tiasa buka usaha katering, sareng upami bumi caket sareng kantor, usaha ieu patut dicoba.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4614", "text": "Ku ayana teknologi mesin cuci jeung ningali lobana kasibukan masarakat ayeuna jadi ngadorong ayana peluang usaha ngarana nu laundry. Usaha laundry ieu makin ngembang, loba jalma anu kalibet dina usaha ieu kusabab ningali peluang seueur anu teu gaduh waktos kanggo nyeuseuh baju sorangan, janten butuh bantosan tempat cuci ieu pikeun mastikeun bajuna tetep beresih. Mesin cuci keur laundry béda pisan ti mesin cuci biasa dipaké pikeun kaperluan rumah tangga. Mesin cuci ieu dirancang pikeun nyeuseuh baju dina jumlah anu ageung. Sajaba ti éta, pangusaha laundry ogé bakal meunang loba mangpaat lamun ngagunakeun mesin cuci laundry husus. Mesin cuci laundry bisa nampung leuwih loba baju, mesin na teu gampang panas jeung hargana pasti leuwih mahal.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6795", "text": "Lamun kana pelem, abdi resep pisan lalajo pelem anu tema na kriminal atawa detektif lantaran sok panasaran kumaha carana nuntaskeun unggal kasus anu disanghareupan. Pelem anu tema na detektip oge biasana teu bosen tapi kedah seeur mikir , seeur deg-degan na, jeung sok janten panasaran. Aya hiji pelem anu ceuk abdi mah lalakon detektip na teh anu pang sae na lantaran cocok pisan. Pelem na nyaritekeun kantor polisi anu sabeulahan jeung kantor pemadam kahuruan, janten nuntaskeun kasus babarengan. Unggal kasus pasti aya hubungan na jeung polisi jeung seuneu. Lalakon dina pelem ieu sadayana palalinter jeung cocok pisan janten peran masing-masing.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6720", "text": "Saha anu teu pernah ka Pangandaran? Urang Bandung mah pasti tos mineng ulin ka Pangandaran. Obyek wisata ieu tos jadi andelan keur liburan jeung kulawargi. Matak lamun pas usum liburan mah Pangandaran teh pinuh pisan ku jelema. Aya seeur kagiatan anu tiasa dilakukeun di Pangandaran, nyaeta ngojay gratis, ngaleeut es kalapa, numpak parahu, atawa ngan saukur ulin pasir. Pangandaran janten pilihan lantaran ongkosna kaitung mirah. Ti Bandung ka Pangandaran urang tiasa numpak mobil nyalira atawa numpak beus Bandung-Pangandaran anu aya di terminal Caheum Bandung. Aya oge alternatif nu langkung mirah nyaeta elf. Tapi lamun angkatna seeuran jeung kulawargi biasana wargi Bandung sok nyewa beus.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6496", "text": "Mun keur ngalakukeun pendakian ka gunung tuluy nyasab teh ulah sasah, tenang we jeung bari neangan solusi. Tilu hal nu kudu dilakukeun mun keur nyasab. Nu kahiji nyeta naek ka punggungan. Punggungan gunung teh mangrupakeun dataran tinggi dina sisi gunung. Mantak, mun nyasab kudu naek ka punggungan supaya bisa ningali daerah sekitar. Nu kadua nyaeta ulah nuturkeun alur sungai, sabab bisi terjadi bencana nu teu bisa diduga jiga banjir bandang atawa longsor. Nu katilu teh nyaeta gunakeun cahaya matahari jang nangtukeun arah mata angin. Oge bayangan matahari dina tatangkalan teh bisa jadi indikasi arah mata angin oge. Misalna mun aya di sakitar tatangkalan nu loba lumutan, bararti aya di barat sabab teu kasinaran ku matahari.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "464", "text": "Ceuk urang mah ngaji alquran teh kudu aya guruna, sabab lamun teu kitu maca alquranna bisa wae salah. Ieu bisa ditinggali dina panjang pondokna, cara pengucapanna, oge tempat eureunna maca alquran. Sabab loba kajadian geus gede maca alquran mah bisa tapi teu bener panjang pondokna jeung cara pengucapanna. Ieu kacontokeun ku babaturan urang, pas urang ngadenge manehna maca alquran langsung ku urang dibenerkeun anu ceuk urang cara pengucapanna salah. Tidinya akhirna babaturan teh diajar deui maca alquran ka urang. Pas ku urang ditanya teh bener weh emang manehna pas diajar ngaji teh teu make guru, tapi diajar ku sorangan jeung make sumber-sumber dina video internet.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5822", "text": "Budak leutik jaman ayeuna mah seseringna ngoprek game nu aya dina hape. Biasana mun ngadat atawa ceurik teh sok dibebenjokeun make game dina hape. Tapi, game dina hape oge bisa jadi sarana edukasi jang perkembangan anak asal bisa ngajalankeun na masing bener. Di playstore na oge loba game edukasi jang anak, misalna jiga Duolingo, ABC Kids, Math Land, jeung sajabana. Loba oge variasi game na, aya nu ngagambar, ngawarnai, jeung calistung dasar. Asal orang tua na daek leukeun oge ngajarkeun budak dina gadget teh bakal jadi ladang positif jang fasilitas diajar anak. Mantak, yuk kenalkeun hal positif ka budak lewat game edukasi!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8026", "text": "Dua minggu ka tukang, Farras karak beres UAS. Minggu-minggu UAS nu nyieun manehna stres ahirna beres oge. Farras langsung neangan hiburan jang ngaleungitkeun stres. Kabeneran di minggu eta aya film hollywood nu anyar kaluar. Judul filmna nyaeta Avatar. Film ieu nyaeta film lanjutan ti film saacanna nu kaluar taun 2009. Ningali info ieu Farras buru-buru mesen tiket kur nonton di bioskop. Tetela nu nonton ieu film loba oge katempo tina jumlah tiket nu tos kaical. Farras kabagean tempat diuk belah gigir, kusabab film na 3 jam manehna kasarean. Hudang-hudang bioskopna tos kosong. Farras buru-buru kaluar bari nahan era ditingali ku batur.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2749", "text": "Aya sababaraha kalemahan dina POCO F4, anu kuring bakal disebatkeun heula ngeunaan kalemahan, nyaéta, sénsor sidik sidik masih henteu nganggo téknologi dina-tampilan. Pikeun kuring, anu sering nyepeng smartphone kuring dina perjalanan, bagian ieu kirang pikaresepeun. Tambih Deui, loba pesaing di kelas harga na geus ngagunakeun tipe ieu sensor in- display nu dina rengrengngan hanpon seperti oppo, vivo, infinix, jeung samsung dina kategori hargi nu sami, namung panel POCO F4 langkung unggul. Ukuran 6,67 inci, E4 AMOLED full HD + layar ngarojong sistem Dolby Vision, boga opat bezels rélatif ipis, sarta ditangtayungan tina kaca Gorilla Glass 5. Ditambah dimensi kaméra punch-hole ogé leutik, jadi teu ngaganggu eusi teuing. loba.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2340", "text": "Ngamemerokeun nyaéta upacara sakral dina tradisi Sunda Wiwitan anu masih dilaksanakeun di wewengkon Kanekes (Baduy). Inti upacara ieu nyaéta ngahiji jeung ngawinkeun bibit padi jalu jeung bikang. Salajuna tarawangsa mangrupa kasenian anu asalna ti Mataram kira-kira abad XV, kasenian Tarawangsa disebut oge kasenian jentreng, dumasar kana sora kacapi, aya oge anu ngaran kasenian ngekngek, dumasar kana sora tarawangsa. Mimitina mah ngan ukur awihan kacapi jeung tarawangsa, tapi dibarengan ku penari, sangkan leuwih narik, tarawangsa ahirna dilengkepan ku tari-tarian basajan anu disebut tari Badaya. Ngamumulé téh kawajiban urang sadaya, dina satiap helaran anu rutin dilaksanakeun saban taun pikeun méré ajén ékonomi anu positif ka masarakat sabudeureunana. Upamana, masarakat satempat bisa nyieun oleh-oleh Cigugur jeung barang-barang anu miboga ajén-inajén unik sangkan nu anyar datang boga ingetan sorangan kana upacara seren taun ieu ku cara meuli barang-barang ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3591", "text": "Kasalametan dasar di alam anu bakal nyalametkeun diri upami anjeun nyanghareupan bahaya nalika ngalakukeun kagiatan di alam liar.\r\n1. Bejakeun ka Batur Kamana Anjeun Bade, Sakurang-kurangna Jalma Nu Pangdeukeutna Anjeun\r\nUpami Anjeun gaduh rencana pikeun indit dina hiji petualangan dina mangsa nu bakal datang, coba babagi rencana perjalanan Anjeun jeung jalma nu pangdeukeutna, saperti kulawarga, nongkrong babaturan, atawa tatanggana. Nyaritakeun detil penting ngeunaan perjalanan anu anjeun badé angkat, sapertos tujuan petualangan anjeun, iraha anjeun angkat sareng iraha anjeun badé uih deui, naha anjeun badé nyalira atanapi sareng grup.\r\n2. Ulah Merangan Kakuatan Alam\r\nTong pernah ngaremehkeun kakuatan alam, sadar yén manusa sering kaleungitan alam. Upami dina hiji waktos anjeun parantos ngarencanakeun pikeun ngumbara, sadaya persiapan parantos dilakukeun, tapi ujug-ujug aya warta ngeunaan badai ageung atanapi cuaca goréng dimana anjeun badé angkat, tong ragu-ragu ditunda perjalanan anjeun.\r\n3. Bawa Parabot Kasalametan\r\nPastikeun alat salamet sapertos péso saku, kompas sareng peta aya di luhureun daptar koper anjeun. Sareng pastikeun anjeun ngawasaan kumaha ngagunakeunana leres sareng leres. Tong hilap mawa kit P3K, pertandingan cadang, sareng cai tambahan sareng tuangeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8113", "text": "Atep ngaraskeun pisan kumaha parubahan tv ti jaman ka jaman teh. Bareto tv teh sagede tabung keneh, biasana disbeat tv baso. TV ti rupa-rupi merk sarua bebentukanna, Atep tiasa apal kusabab manehna damel di toko tbarang-barang elektronik Koh Ahong salila 25 taun. Tv nu ayeuna seueur dianggo sareng diical mah benten pisan sareng tv nu baheula. Tv nu ayeuna luwih canggih kusabab seueur teknologi nu dipasang dijerona. Model na ge ayeuna mah model tv ipis janten teu meakeun seueur tempat sareng teu berat upami dipindah-pindah. Asep ayeuna teh tiasa lalajo naon-naon wae nu manehna hayang liwat tv kusabab tos nyambung ka internet. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2251", "text": "Ngadugikeun salah sahiji vidéo dina saluran YouTube TV Al-Bahjah, Buya Yahya méré pamadeganana ngeunaan kumaha carana jadi tokoh agama sangkan jalma nurut ka manéhna. Anjeunna nétélakeun yén pikeun jadi tokoh agama, aya sababaraha hal anu kudu dipibanda heula, nya éta:\n1. Haté tartib\nManusa teu pernah leupas tina sugema, sarta sababaraha manusa malah teu bisa nahan diri tina hormat. Alusna samemeh mutuskeun jadi tokoh agama, aya nu ngatur heula manah, netepkeun cita-cita ngalaksanakeun ieu tugas ngan karana Alloh wungkul.\n2. Tétélakeun conto nu hadé\nAnu kadua nyaéta mampuh méré conto anu hadé ka dulur-dulurna, nurutkeun definisi, karakter hartina jalma anu leuwih dibéré amanah pikeun ngajarkeun jeung nyebarkeun kahadéan. Ku kituna, pamingpin agama kudu bisa méré conto nu hadé, lain ngan ukur pinter nyarita. Tangtosna, nalika aya jalma ningali tokoh anu lisan sareng paripolah, anjeunna bakal otomatis nuturkeun naon anu ditepikeun ku karakter éta.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5021", "text": "Rekomendasi dua gunung sakitar Jatinangor nu ramah jeung pendaki pemula. Kahiji nyaeta gunung Manglayang. Gunung ieu aya na di perbatasan Cileunyi jeung Jatinangor. Jalur mendakina aya ti Baru beureum, Jatinangor jeung Batu Kuda, Cileunyi. Mun naek mah enak na ti Batu Kuda, sabab jalurna rada landai, beda jeung ti Baru Beureum nu trackna curam jeung leueur pisan. Akses jalur pendakian anu babari jeung loba petunjuk ngajadikeun ieu gunung bisa didaki santai ku pendaki pemula nu haang tektok. Gunung nu kadua nyaeta Gunung Geulis. Gunung ieu lokasina di Desa Jatiroke, Jatinangor. Salah sahiji akses mendaki nu babari nyaeta ti Jatiroke. Ti puncak gunung ieu bakal katingali kabeh pamandangan Jatinangor. Jalur pendakian nu pendek bisa jadi referensi jang naek gunung tektok.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "194", "text": "Nonton film teh salah sahiji hobi urang ti baheula nepika ayeuna, sabab nonton film genre nu dipikaresep atawa aktor favorit bisa jadi kagiatan nu rame jeung nyehatkeun. Di antarana jadi sarana diajar. Teu ngan saukur ngahibur, sababaraha film nu ditonton ge sakapeung ngangkat topik anu bisa jadi pangalaman sakaligus ngagugah pikiran jeung jadi pembelajaran jang diri sorangan, mangpaat lain tina nonton film oge bisa mantuan urang jadi leuwih paham sudut pandang batur sakaligus ngalegakeun pandangan sorangan. Mangpaat nu lainna bisa numbuhkeun motivasi, ngameh leuwih produktif pas balik deui aktivitas. Motivasi oge bisa kabangun pas keur nyokot pelajaran atawa hikmah tina jalan carita film nu ditonton.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3877", "text": "Jamu nyaéta ubar tradisional dijieun tina bahan-bahan atawa bahan-bahan tina tutuwuhan, atawa mineral jeung sari atawa campuran eta nu geus dipaké turun-tumurun pikeun pengobatan dumasar kana norma-norma nu berlaku di masarakat. Kusabab parantos dianggo ti jaman baheula, khasiat jamu dina ngajaga kaséhatan. Aya sababaraha lobs jenis jamu, tapi ayam babaraha jenis jamu anu kasohor nyaeta Beas Kencur nu Rasa amis sareng seger biasana sajikeun haneut tapi ogé ditambah és batu. Kunyit asem ngandung sanyawa curcumenol analgesik. Samentara éta, kandungan antosianin dina buah asem boga fungsi minangka analgesik atawa anti nyeri. Khasiat jamu kunyit asam jawa dipikanyaho mangpaat pikeun ngalancarkeun jeung ngaleungitkeun nyeri haid, ogé ngajaga kulit . brotowali seuseueurna jalma terang bumbu brotowali salaku bumbu pait sabab rasana pait pisan. Sanajan kitu, bumbu pait anu utama nyaéta daun pait, sedengkeun brotowali, akar alang-alang jeung ceplik sari ngan ukur ditambahan. Cara nyieun jamu nyaéta ku cara kulub nepi ka meunang sari. Khasiat jamu ieu dipikawanoh ngabogaan loba mangpaat mimitian ti ngungkulan nyeri awak, ngubaran gatal-gatal, ngaronjatkeun napsu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3946", "text": "Hidden gems kampung kahuripan nu aya di purwakarta sabenerna lain anyar keneh. Kampung kahuripan geus aya ti tahun 2028. Mimitina kampung kahuripan ngan ngajual pemandangan endah jeung spot foto foto tapi lila ka lilaan, amkin ngagedean teu ngan ukur tempat foto foto. Tempat foto foto tetep aya jeung leuwih lobakeun tapi oge di tambah aya wahana alam na siga outbond saperti flaying fix mini sejung sajabana. Salian ti eta di kampung kahuripan oge aya kebon binatang nu cukup lengkep. Loba penjual atawa tempat makan oge di daerah dinya, lamun orang purwakarta bisa refreshing ka dinya ku sabab dekeut jeung boga fasilitas. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "566", "text": "Cara maenkeun angklung bisa disebut cukup babari. Pamaen ngan kudu nyepengan angklung ku hiji leungeun samentawis leungeun nu sejenna ngageolkeun angklung nepikeun ka kadenge sorana. Aya tilu teknik dasar dina ngageolkeun angklung. Nu kahiji kurulung, teknik ieu nyaeta teknik ngamaenkeun angklung nu paling umum dipake. Rangka tina angklung bakal dicepeng ku hiji leungeun, sedengkeun leungeun sejenna ngageolkeun angklung jang ngahasilkeun sora. Nu kadua setok, teknik ieu jang maenkeun angklung ku cara ngagunakeun ramo nu narik tabung dasar angklung ku gancangna jadi sora angklung bakal kadenge sakali ge. Nu katilu tengkep, teknik ieu ampir mirip jeung teknik kurulung tapi aya hiji tabung awi tina angklung nu ditahan jadina teu milu ngageter.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7653", "text": "Bisnis urang tiasa janten rugi salah sahijina nyaeta pedah teu aya aturan anu tegas, janten urang ngalakukeun bisnis sangeunahna jeung sakumaha hayangna hungkul, teu aya batasan. Aturan anu jelas, tegas, jeung disiplin ieu oge bakal ngabantosan urang salaku pangusaha sangkan tiasa ngatur usaha urang janten profesional. Din kabeh bisnis anu sukses, pasti aya aturan anu dutetapkeun ku jalmi anu ngawangun eta bisnis. Kabayang lamun teu aya aturan, urang bakal tiasa nentukeun harga jeung ngalakukeun proses bisnis urang sangeunahna ngan nuturkeun kahayang hungkul teu make elmu anu bener, matak tong heran lamun hasilna oge moal sae. Komo lamun ngan nuturkeun rarasaan hungkul. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1905", "text": "Asalna gaduh panci presto sakitar sataun katukang. Dina hiji poe salah saurang warga di komplek kuring ngajak urang warga ningali demo masak Panci presto Hakasima. Tidinya abdi oge bade ngarencanakeun kanggo ngagaleuh panci presto, tapi teu yakin model mana anu kedah dipilih, khususna waktos abdi SD pernah ngalaman goreng keur muka pancina, sakali-kali abdi 'disemprot' tina panci presto. nu ku indung kuring keur masak. Kusabab tekanan ngabogaan klep hideung dina luhureun tutup, sarta kuring indit sabudeureun klep nu. Ema mah tos diomongkeun, tong sing keuna anak, bahaya, tapi kuring tetep teu paduli, ujug-ujug 'DUAARRRR' tutup panci dibuka, untung teu mumbul, jeung sambel rendang nu ngagolak. nu di panci kaluar. , alhamdulilah eta mah ngan ukur neunggeul pingping katuhu, najan panas kacida, pingpingna melepuh, alhamdulilah deui lain beungeut kuring nu disemprot ku kaldu rendang nu ngagolak, hiiiii.. . Pamustunganana saprak kajadian kuring keur SD, kuring sok mudik unggal rek meuli panci presto. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3634", "text": "Seuseueurna jalma ngaku yén alesan pikeun ngagunakeun ojek online nyaéta kusabab aranjeunna langkung praktis (37,29 persén) sareng langkung gancang (32,28 persén). Saterusna, jalma ngagunakeun ojek online ti imah (70,62 persen) gawe (29,57 persen). Jarak pangjauhna nyaéta 4-8 km (41,24 persén) kalayan tujuan pikeun dianggo / usaha (57,74 persen).\r\n\r\nSamentara éta, masarakat nyatakeun yén tarif anu diterapkeun éta wajar (52,32 persen). Réaksi kana waragad jasa panganyarna (tarif) milih tetep ngagunakeun saloba 49,76 persen jeung pindah atawa ngurangan frékuénsi pamakéan 50,24 persen.\r\n\r\nSurvei dilaksanakeun ti tanggal 13 nepi ka 20 Séptémber 2022 ngagunakeun média survéy online. Sampling nyaéta warga Jabodetabek anu ngagunakeun ojek online kalayan cara sampling kurang ti 5 peresén. Wewengkon survey nyaéta Jakarta, Bogor, Depok, Tangerang jeung Bekasi. Jumlahna aya 2.655 réspondén anu ngagunakeun ojek online sareng 2.016 réspondén anu mitra ojek online.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6112", "text": "Sabari nungguan panggilan kerja, abdi nyobian dagang di bumi. Abdi sok dagang sosis bakar jeung rupa-rupa cemilan. Dagangna ge sok di imah we, ngagelar meja di teras bumi. Nu jajan na ge sok budak di sakitaran bumi jeung budak sakola nu aya di seberang bumi. Biasana mah sok payu pisan sosis bakar teh, komo mun diayakeun suku-sukian mah. Saos na oge diayakeun lengkap, saos cabe, saos tomat, jeung mayones. Alhamdulillah pendapatan saminggu teh tiasa pake nutupan kabutuhan. Kadang mah dagangan na ge sok dititipkeun ka warung nu aya di jero sakola supaya leuwih tereh seepna. Biasana mah abdi teh sok meser bahanna ka pasar unggal subuh.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5773", "text": "Dina pertandingan olahraga teh biasana sok aya unsur kacurangan nu dilakukeun di luar maupun di jero tim sorangan. Mun ti jero tim sorangan mah misalna subjektivitas para pelatih terhadap kamampuan atletna. Biasana mah mun aya atlet nu mangrupakeun anak pengurus atawa anak pelatih teh sok dipaenkeun pas pertandingan, teu paduli kamampuan na mumpuni atawa henteu, bahkan mun nihil kamampuan pun bisa keneh dipaenkeun. Kuduna hal nu kieu dihindari sabab ngajadikeun atlet nu bener-benee berkualitas teh malah jadi atlet nu diturunkeun kualitasna sacara teu langsung. Komo mun posisina karebut ku anak pengurus atawa anak pelatih, karunya kana kamampuanna nu geus teruji jeung terukur. Yuk urang diajar deui naon ngaranna objektif, supaya bisa mahami jeung merangi sagala bentuk kacurangan!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4661", "text": "Metaverse aya, ngamungkinkeun anjeun ngalakukeun hal-hal sapertos angkat ka kontek virtual, ngarambat online, nyiptakeun atawa ningali karya seni sareng nyobian pakean digital kanggo mésér. Metaverse tiasa janten game-changer pikeun sistem shift kerja ti bumi atanapi damel ti bumi di tengah pandémik Covid-19. Gantina ngan ukur tiasa ningali rekan kerja dina kotak telepon pidéo sapertos aplikasi konperénsi pidéo, karyawan tiasa gabung dina kantor virtual. Facebook sorangan parantos ngaluncurkeun parangkat lunak rapat pikeun perusahaan anu disebut Horizon Workrooms sareng dianggo sareng headset Oculus VR na. Headset USD 300-plus ieu nempatkeun pangalaman metaverse pamungkas saluareun jangkauan massa. Lamun numutkeun Zuckerberg, seueur pangalaman metaverse bakal aya pikeun nyiptakeun kamampuan pikeun teleportasi tina hiji pangalaman ka anu sanés. Perusahaan téknologi kedah milarian cara pikeun nyambungkeun platform onlinena ka anu sanés.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1852", "text": "Biasana nalika tuang di réstoran prasmanan, pesenan kuring nyaéta: Entong tuang beurat isuk-isuk - Biasana, upami tuang siang, abdi ngahaja teu tuang beurat supados langkung kuat.\nInuman inuman seger. Sangkan tikoro lancar naon wae nu asup, buka ku buah saeutik, utamana samangka anu leuwih cair tibatan daging, daging dicampur sayuran. Dina raraga muka prosés dahar cageur, salajeungna dahar ageung daging mimiti ngadominasi lengkep sareng panginten janten piring anu saé\nCandak camilan biasana és krim vanili, naha? Kuring henteu terang naha és krim tiasa ngajantenkeun kuring tiasa neraskeun tuangeun ageung langkung lami, ahéngna henteu goréng pisan, tong poho jang Istirahat sakeudeung, lanjut ku Ngobrol santai sareng anu ngajak tuang supados tuangeun anu datang dicerna heula\nNuluykeun dahar badag dugi réstoran leungit\nMudah-mudahan ieu tiasa ngabantosan aruarang anu kadang ngarasa yén kapasitasna henteu maksimal nalika tuang di réstoran prasmanan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2773", "text": "TV mangrupikeun salah sahiji produk éléktronik rumah tangga anu kedah aya di bumi pikeun hiburan. Tapi, seueur merek sareng jinis TV anu dijual di pasar ayeuna parantos ngajantenkeun seueur jalma bingung. Hésé pisan pikeun nyandak kaputusan ngeunaan TV mana anu badé dipésér, dianggo pikeun sababaraha taun ka hareup. Seueur jalma anu sesah ngartos bédana dasar antara rupa-rupa éléktronika sapertos TV, khususna pikeun anu henteu savvy téknologi. Ngartos bédana antara Smart TV sareng Android TV tiasa matak ngabingungkeun pikeun jalma awam. Aranjeunna sakapeung teu paduli ngeunaan éta, salami TV tiasa nampilkeun gambar anu aranjeunna resep ogé. Ngeunaan TV pinter sareng TV Android, aranjeunna sami pisan, bahkan anjeun tiasa nyarios yén TV Android saleresna mangrupikeun jinis Smart TV. Nanging, aya sakedik bédana antara TV pinter sareng TV Android anu tiasa ngajantenkeun hiji langkung cocog pikeun anjeun tibatan anu sanés.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9427", "text": "Oven listrik memang leuwih mahal batan oven konvensional anu ngagunakeun bahan bakar saperti gas atawa seuneu, tapi lila-lila, oven listrik leuwih ekonomis jeung leuwih efisien. Oven listrik teu merlukeun pembakaran tambahan kayaning gas atawa kompor, jadi teu perlu mayar tambahan pikeun meuli bahan bakar. Sajaba ti eta, oven listrik oge leuwih efisien dina tanaga nu dipake, jadi ekonomis dina hal biaya listrik. Oven listrik oge langkung aman sareng gampang dianggo. Anjeun teu kedah hariwang ngeunaan bocor gas atanapi kahuruan anu disababkeun ku oven konvensional. Sajaba ti eta, oven listrik oge leuwih gampang pikeun ngarawatna. Oven listrik oge leuwih ramah lingkungan ti oven konvensional. Oven listrik henteu ngaluarkeun haseup anu ngarusak lingkungan, janten langkung ramah lingkungan. Janten sanajan langkung mahal di awal, oven listrik langkung ekonomis sareng langkung efisien dina jangka panjang. Salaku tambahan, oven listrik oge langkung aman, gampang dianggo, sareng ramah lingkungan. Hayu urang sami-sami nganggo oven listrik sangkan leuwih ekonomis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9032", "text": "Kagenep ciri jeung karakteristik Wirausaha, nyaéta ngabogaan kréatipitas jeung inovasi anu luhur. Bakal jadi naon bisnis lamun tanpa kreativitas sarta kawani berinovasi? Beuki lila kompetisi, beuki luhur éta, lamun produk nu anjeun jual teu bisa berinovasi sasuai jeung kamajuan atawa teu bisa ngahasilkeun hal anyar, mangka kamungkinan bisnis anjeun bakal ditinggalkeun ku konsumén. Katujuh, nyaéta mibanda sumanget kapamingpinan. Kumaha upami anjeun gaduh perusahaan, tapi henteu ngagaduhan sumanget kapamimpinan? Soalna nalika anjeun mutuskeun janten pangusaha, anjeun bakal otomatis janten bos atanapi pamimpin di dinya. Di dieu anjeun peryogi kaahlian anu saé dina mingpin, ngamotivasi, sareng ogé ngatur bawahan. Janten pinter dina ngandelkeun sagala rupa padamelan ka jalma sanés sareng ngadorong karyawan pikeun masihan hasil anu pangsaéna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "19", "text": "Lamun keur liburan di Bandung, wajib ka restoran Mercusuar Cafe nu aya di Dago Bandung. Tema na unik pisan jeung katingali mewah. Harga asupna, 20 rebu poe biasa, 25 rebu poe libur. Cafe na anyar, aya 3 lantai. Lantai kahiji suasana na siga di jero parahu, lamun di lantai dua restoran nu suasana na siga di jero kapal, alus pisan jang foto-foto komo deui mun sore maju ka peuting. Nu terakhir lantai tilu bisa foto-foto langsung di castle na, jeung bisa naek deui jang ningali pemandangan castle na ti luhur, pemandanganna alus pisan komo lamun peuting bisa ningali City Lights Kota Bandung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6", "text": "Aya Sate nu legendaris di Kota Bandung, ngaranna Sate Bengkel (Pak Mino), posisi tepatna aya di Jalan Citarum. Buka ti jam 7 isuk-isuk nepi ka jam 1 beurang. Kuring ngarekomendasikeun lamun kadieu mending pesen heula lewat WhatsApp, ngameh kaagehan, lantaran sakapeung sok tereh beak ku lobana pelanggan. Komo deui Gulai na teu nepi ka tutup ge biasana geus beak. Jeung deuih, alusna kadieu pas weekday supaya rada sepi, teu pinuh teuing. Lamun weekend mah biasana pinuh pisan, loba nu geus olahraga atawa nu nyapedah sok sindang heula kadieu jang sarapan. Sok aya oge nu ti luar daerah Bandung nu keur liburan sok ngahaja kadieu. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5798", "text": "Olahraga jogging teh mangrupakeun olahraga anu dipercaya bisa nurunkeun berat badan sacara tereh dina waktu nu teu pati lila. Kombinasi jogging jeung latihan olahraga statis teh jadi salah sahiji kombinasi nu pas pisan jang nurunkeun berat badan. Tapi balik deui ka kabutuhan unggal jalma sabab beda-beda. Aya nu cocok jeung program nu kieu, aya oge nu kirang cocok, tapi rata-rata loba nu geus nyobaan tuluy cocok. Isuk-isuk teh jogging samemeh sarapan, tuluy dilanjut ku work out. Kombinasi olahraga ieu teh diyakini bisa nurunkeun beurat badan dina waktu singkat, komo mun diparengan ku ngajaga pola makan mah. Salian berat badan nu turun, oge bakal ngajaga imun tubuh supaya bisa leuwih sehat dina adaptasi sagala kondisi cuaca.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2786", "text": "Mun hiji pemula geus nyaho saeutik ngeunaan pamakéan a kaméra, sarta hayang nyobaan kaméra DSLR-gaya, tapi teu ngarti pangropéa kaméra, Kuring nyarankeun meuli kaméra Prosumer. Sapertos Fujifilm HS50EXR, ieu mangrupikeun conto. Kalawan zum digital nepi ka 1000mm karasaeun kawas maké kaméra DSLR kalawan lénsa telephoto. Di dieu nu pemula diajar hal anu leuwih canggih kawas. Segitiga fotografi, mode prioritas aperture atanapi mode prioritas jepret, latihan mode manual ku netepkeun ISO, aperture sareng speed jepret sorangan, pikeun diajar ngazum leutik - zum gede tur saluyukeun fokus lensa ku cara manual. Upami pemula anu sanes pemula parantos ngartos sahenteuna 2 hal, sanaos henteu kedah mulus, kuring nyarankeun kaméra DSLR atanapi Mirrorless.\r\n\r\n\r\nDi dieu beginners diajar naon bédana antara 4 digit 1000D, 3 digit 700D, 2 digit 60D ka 1 angka 5D. Pemula ogé diajar béda antara sababaraha merek sapertos Canon, Nikon, Sony, sareng sajabana, sahenteuna supados aranjeunna henteu bingung nalika dina hiji waktos nyekel kaméra sareng merek atanapi séri anu béda. Pemula ogé diajar ngoméan kaméra supados salian ti alat pangropéa standar, kotak garing atanapi kabinét garing mangrupikeun barang anu kedah dipiboga.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4762", "text": "Lamun di bandingkeun jeung jaman baheula lamun erek ngajieun bisnis atawa jualan jaman ayeuna mah leewih babari. Babari lamun erek dagang kusabab geus aya kamajuan sistem informasi jeung internet jadi na urang bisa jualan sacara online. Jualan online babari kusabab urang bisa jualan ti mana wae, bisnis online ayeuna moncer pisan urang bisa bisnis jeung jualan sagala rupa di online, arek anu bentukn abarang atawa boisa oge jasa. Cara urang ngajual barang dina online oge rupa rupa, aya anu ngan saukur nga upload gambar jualan na dina sosila media internet tuluy kari di jeun tulisa tulisan promosi, aya oge anu ngajual na make konten jeung mere ulasan produkna nepi ka aya anu cara na live dagang, live ieu mah siga dagang biasana bari ngomong ngan beda na teu ngomong langsung nawarkeun barang ka jelema na tapi ngomong hareupeun hape na.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8012", "text": "Kangkung salah sahiji sayuran nu dikaresep ku masarakat Indonesia. Kangkung biasana hirup di tempat deket aliran cai siga sawah atawa walungan. Warna batang kangkung teh aya nu hejo aya oge nu ungu kumaha jenis kangkungna. Jangkungna kira-kira sapanjang 20 nika 25 cm. Upami daun na panjang jeung rada nyungcung dipalebah tungtungna. Kangkung oge ngagaduhan kembang nu warna na rupi-rupi, ti mimiti bodas nika ka beureum ngora. Kangkung kagolong gampang dipelak, biasana ge hirup liar di sawah-sawah janten teu kudu musingkeun pupuk atawa biaya perawatan upami melak ieu pepelakan. Saatos sabulan nika 45 poe dipelak kangkung siap dipanen tur diical ka pasar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "90", "text": "Basa keur aya babaturan ti Banten, ku urang diajak ka HDL 293 Seafood nu aya di Jalan Diponegoro Bandung. Berangkat ti imah peuting, aya kana 10 menitan nepi ka tempat tujuan eta. Kadinya opatan naek mobil, nu nyupiranna babaturan urang, ngaranna Eli. Urang kabehan sapuk pesen sangu goreng, tapi beda-beda menu na. Aya sangu goreng seafood, sangu goreng pete, sangu goreng ikan asin, jeung sangu goreng ayam. Sabenerna aya oge menu paketan, tapi mun diitung-itung mah asa mahal. Kabeneran peuting eta Persib keur maen, jadi saberes dahar, arurang ngobrol bari ningali Persib. Aya kana 1 jam an geus didinya arurang balik.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "43", "text": "Thai tea salah sahiji minuman asal negara Thailand, resep thai tea sabab rasana nu ngeunah, ukuranna oge gede, jeung hargana oge kajangkau. Contona Thai tea anu original, hargana 9 rebu ukuran gede, 5 rebu ukuran leutik. Salian ti rasa original, thai tea oge rupa-rupa pilihan rasana, aya milo, es kopi, green tea, nepika rasa pink rose nu paling loba diteangan pecinta thai tea. Warna thai tea oge teu ngan saukur warna oren hungkul, aya warna hejo, hideung pekat, coklat, gumantung kana rasana. Toppingna oge rupa-rupa aya nu make boba nu baruleud, make jelly nu warna warni, jeung make nata de coco nu karotak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4212", "text": "Ande Ande Lumut nyaeta judul carita rahayat ti Propinsi Jawa Wetan. Ande Ande Lumut nyaeta dongéng anu temana percintaan anu nyaritakeun kasatiaan Pangeran Adipati Anom jeung Dewi Candrakirana Pangeran Adipati Anom mangrupa tokoh ti Karajaan Jenggala, sedengkeun Dewi Candrakirana asalna ti Karajaan Kediri. Tina carita Ande Ande Lumut, bisa digambar pesen moral, nya eta kumaha awewe kudu ngajaga kahormatan dirina, saperti waktu Dewi Candrakirana atawa Klenting Kuning keur nyanghareupan Yuyu Kangkang. Sikep teguh jeung kasatiaan Dewi Candrakirana atawa Klenting Kuning waktu diuji ku Batara Narada oge jadi picontoeun. Salain ti eta, sikep goreng tilu lanceukna Klenting Abang, Klenting Biru, jeung Klenting Ungu anu nyiksa Klenting Kuning teu kudu diconto, jeung urang kudu silih hadean tanpa mandang latar tukang. Ciri-ciri dua randa anu ngarawat Ande Ande Lumut jeung ngagedekeun Klenting Kuning jadi budak teh dicontoan minangka wujud karep ka batur.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5503", "text": "Kampung adat Banceuy nyaeta kampung adat nu aya di daerah kabupaten Subang. Masyarakatna masih megang teguh tradisi adatna. Pupuhu adat di kampung ieu ge kabilang masih lengkap. Jadi, informasi ngeunaan kampung adat Banceuy teh masih bisa digali ti pupuhu nu bersangkutan langsung ti mimiti dibentukna ieu kampung adat. Sagala tradisi jeung aturan adatna wajib dipatuhi ku sakabeh masyarakat adat, termasuk wisatawan nu kunjungan ka ieu kampung adat. Jadi, ka wisatawan nu ngabutuhkeun informasi ieu kampung adat teh bisa langsung nanya atawa wawancara ka pupuhu nu bersangkutan langsung supaya informasina leuwih akurat. Mun saukur kunjungan wisata ge teu nanaon, itung-itung urang ngabantu ngalestarikeun ieu kampung adat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9386", "text": "Samemeh urang naek pesawat, urang kudu mesen tiket heula ti jauh-jauh hari. Lamun baheula mah tiket teh bentukna kertas, ayeuna mah geus loba tiket anu bisa dipesen tina aplikasi online. Urang oge kudu merhatikeun kapasitas bagasi pesawatna, ameh urang teu kudu mayar gede lamun bawaanna kaleuleuwihi. Pastikeun oge urang apal jeung inget kana terminal keberangkatan urang. Lamun poe berangkatna geus tiba, urang kudu geus aya di bandara hiji atawa dua jam samemeh jadwal keberangkatan. Teras siapkeun tiket, kartu identitas, jeung kaperluan lainna. Saanggeus aya dina jero pesawat, urang kudu nurut kana aturan nu aya, mareuman hape jeung make sabuk pengamanna. Saanggeus nyampe ka tujuan, urang ulah nyalakeun hape samemeh asup ka Gedung bandarana, soalna sinyal hape bisa ngaganggu kana komunikasi pilot jeung petugas di bandarana. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4597", "text": "Radio ayeuna lain hiji hijina alat hiburan deui, radio ayeuna teu pati di keanl mangrupa alata nu di teangan lamun keur suntuk butuh hiburan. Tapi radio alus sih tetep bia eksis nepi ka ayeuna dianatara loba na mrdia hinuran lain anu leuwih modern. Radio media anu ges lila aya jeung nepi ka ayeuna masih di pertahankeun meski ges teu sa rame baheula pastina. Tapi radio tetep jadi pilihan lamun urang keur di mobil, ngadengekeun caeria, informasi jeung lagu lagu anu anyar oge bisa di radio. Radio di percaya keneh jadi media promosi lagu jeung film film anu anyar eta ngabuktikeun bahwa panikmat radio teh aya kemeh jeung satia", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7368", "text": "Lamun urang gaduh rencana hoyong diet. Ngangkat beurat boga mangpaat ngawangun massa otot bari ngaronjatkeun metabolisme awak. Sabalikna, ngangkat beurat dipikanyaho ningkatkeun metabolisme awak langkung ti tujuh puluh dua jam saatos latihan. Ieu ngandung harti, urang masih keneh ngaduruk kalori sababaraha jam atawa malah sababaraha poe sanggeus olahraga. Asosiasi Jantung Amerika nyarankeun latihan kakuatan otot, sapertos angkat beurat, sahenteuna dua kali saminggu. Pikeun hasil maksimal, urang oge tiasa ngagabungkeun latihan ieu sareng kagiatan aerobik biasa. Ngangkat beurat oge tiasa ngirangan resiko tulang karops, alias osteoporosis, khususna di awewe paska menopaus. Ieu lantaran ngangkat beurat ntiasa masihan tekanan kana tulang, anu tungtungna mantuan ngaronjatkeun tulang janten padet.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "126", "text": "Waterboom paling gede di Jawa Barat, nyaeta aya di Sangkan Resort Aqua Park. Trek na muter-muter panjang pisan. Tuluy aya ombak-ombakan oge didieu, seru pisan. Tiket asupna jang dewasa ngan 65 rebu pas poe biasa, anak-anak 55 rebu, lamun akhir pekan mah mayarna 75 rebu. Ieu teh waterboom nu paling lengkap di Jawa Barat wahana naon wae ge aya didieu, contona boomerang slide, octopus slide, kolam ombak, kolam arus, baby pool oge aya, pokona mah loba pisan, komo deui aya mini zoo na oge lamun kadieu. Lamun kadieu wajib nyobaan boomerang slide anu luhurna teh 17 meter. Nu resep permainan adrenalin mah wajib pisan nyobaan dijamin dedeuieun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "944", "text": "Dina rumah tangga pasti nu kudu dipikirkeun teh parabotan jang imah. Bisa disebut alat elektronik ayeuna geus kudu dipiboga. Salah sahijina teh nyaeta mesin cuci. Mesin cuci ieu geus jadi hiji hal nu wajib dipiboga jang sabagian jelema sabab waktu jeung pagawean nu teu ngamungkinkeun jang nyeuseuh pakean, salian ti eta oge cuaca nu teu bisa diprediksi alus henteuna jadi faktor sejen jeung nu nyebabkeun pakean lila garingna jeung beresihna. Urang ngarasa oge ku ayana mesin cuci teh waktu bisa leuwih hemat jeung urang bisa ngagawean pagawean anu sejen. Sabab mun nyeuseuh manual make leungeun mah sok nyeri cangkeng jeung waktuna teh asa sok lila.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4219", "text": "Pikeun masarakat bali, anu loba ngayakeun upacara dina sapopoena. Pasti mindeng nggagunakeun baju daerah, dina baju daerah na asok aya simbol panggunaan senjata trandional bali. Urang Bali ngagunakeun pakarang keris tradisional pikeun ngabéla diri sarta ngawakilan batur pikeun ngadatangan uleman kawinan. Sajaba ti eta, maranehna boga kayakinan yen keris bisa nyageurkeun batur tina gigitan sato berbisa ku cara ngarendam keris dina cai. Rupa-rupa ukiran keris Bali. Aya nu wangunna arca dewa, arca pedanda, penari, raksasa, hulu kuda, jeung sajabana. Gagang keris dijieunna tina kai, tapi aya nu dihias ku permata. Biasana gagang keris rada ageung sareng panjang. Senjata di bali di anggap sakral jeung bisa ngalambangkeun kadewasaan lalaki, matakna aya anu di sebut pernikahan keris di bali.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9394", "text": "Colenak jadi kadaharan khas anu kasohor pisan di Tatar Sunda. Saking ku kasohorna, colenak nepika jadi salah sahiji lagu degung sorangan. Colenak dicokot tina wancahan 'dicocol enak'. Colenak nyaeta olahan nu dijieun tina peuyeum sampeu jeung enten-enten nu dijieun tina kalapa jeung gula beureum. Cara nyieun colenak babari jeung bisa diturutan ku saha wae. Mimiti, sadiakeun bahan-bahanna nyaeta peuyeum sampeu, kalapa parud, gula beureum, daun pandan, mantega, cai, jeung uyah sacukupna. Kadua, siapkeun panci, cai, gula, daun pandan, jeung uyah. Golakeun, terus saring. Katilu, panaskeun mantega, tuluy campurkeun kalapa parud, campuran gula nu tadi dijieun saacanna, golakkeun nepika saatna. Langkah nu kaopat, beuleum peuyeum nepika warnana rada coklat. Terus banjur ku enten-enten kalapa. Colenak siap diopi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "984", "text": "Taun ieu bisa jadi waktu nu tepat jang mibogaan konsol Playstation 5. Lantaran stokna dijangjikeun bakal loba jeung harepanna hargana jadi normal. Tapi nyaahna, euweuh informasi nu leuwih rinci soal strategi Sony ngameh bisa ngajamin ayana PS5 di pasar. Ku langkana PS5 di pasar salah sahijina disebabkeun ku seretna pasokan komponen chip semikonduktor jeung gedena peminat di PS5 di tengah pandemi covid-19. Di tengah langkana jeung peminat nu gede jang PS5, teu aneh jadina harga PS5 jadi mahal di luhur harga eceran resmina. Siga nu kajadian di Indonesia misalna teh. Di Indonesia, hraga eceran resmi PS5 nyaeta 7,3 juta jang Digital Version, mun Disc Version hargana 8,8 juta.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5353", "text": "Abdi kantos sababaraha dinten ngarasa sedih pisan sabab ningali kondisi orang tua nu sakit-sakitan wae. Abdi nyobian memperbaiki ibadah abdi, ngalaksanakeun sholat di awal waktu teu ditunda-tunda. Salila abdi ngalaksanakeun sholat teu ditunda-tunda, alhamdulillah aya wae kalancaran jeung kabaikan ka diri abdi. Abdi janten diampi padamelan, aya rezeki ti mana-mana, sareng mampu nyanda orang tua berobat ka dokter dugi ka damangna. Abdi tidinya ngarasa bersukur pisan sabab tiasa ngarasakeun kaajaiban tina ibadah. Nu kudu diemut nyaeta hiji, jangji Allah mah pasti. Ku kituna, yuk ah urag perbaiki deui ibdahah urang, utamana dina waktu sholat, supaya kenging kalancaran dina sagala urusan urang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4576", "text": "Ponsel atawa handphone jaman ayeuna ges siga jadi barang wajib anu batur pasti bogaeun, soalna sagala ayeuna aya dina ponsel atawa handphone ieu, nepi ka aya paribasa duny ayeuna dinajero lengeun anu hartina ayeuna sagala anu hayang di teangan naon wae aya dina jero ponsel handphone. Urang bareto mimiti boga ponsel handphone di kenal 5 SD eta ge ponsel handphone na sarerea hiji keur saimah imah da keur eta hargana ponsel handphone mahal pisan. Ponsel handphone jaman heubel eta can aya internetan na, bisa aya tapi can ngarti jeung pasti mahal. Matakna bareto ponsel handphone ngan dipake keur nelepon, sms jeung ngadengekeun lagu atawa radio.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5750", "text": "Alat-alat nu kudu dipake dina olahraga arung jeram. Nu kahiji nyaeta pelampung. Pelampung fungsina jang ngambangkeun awak dina cai, jeung deuih ngahalau hawa tiis jadi moal asup angin. Nu kadua nyaeta helm nu fungsina jang ngalindungi mastaka tina benturan salama pengarungan. Nu katilu nyaeta booties atawa sapatu nu nutup sagala bagean sampean, fungsina supaya teu kena benda tajam nu aya dina dasar wahangan. Nu salajengna nyaeta dayung. Jadi satiap individu nu naek parahu jang arung jeram teh kudu mawa dayung supaya bisa ngayuh parahu jeung ngatur arah parahu pas pengarungan. Salian eta, aya oge nu ngaranna flip line. Fungsina jang ngabalikeun parahu mun parahu tibalik sabab neunggar batu atawa jeram.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1891", "text": "Sanaos sigana gampang sareng ngajangjikeun, kagagalan tiasa sumping upami anjeun henteu ngudag sareng pinter maca kasempetan bisnis. Modal rasa alus wungkul teu cukup, tapi ogé kudu dibarengan ku kaunikan jeung karancagean.\n\nIeu kiat pikeun suksés dina ngajalankeun bisnis jajan atanapi jajan camilan:\n\n1. Nunda kualitas kahiji\nPikeun narik pembeli, jajanan atanapi jajanan henteu ngan ukur ngeunah tapi ogé kualitasna alus. Paké bahan seger, higienis jeung teu ngandung zat ngabahayakeun ngarah aman pikeun konsumsi.\n\nSalaku tambahan, bungkusan kedah higienis sareng pikaresepeun. Bungkusan anu pikaresepeun bakal nambihan nilai kana produk anjeun.\n\n2. Jieun kaunikan\nSeueur jalma milih janten aman dina bisnis jajanan ku nuturkeun tren ngembang. Sabenerna teu aya anu lepat, ngan ukur nambihan kapribadian kana produk anjeun dina penampilan atanapi rasa.\n\n3. Teruskeun inovasi\nKompetisi bakal salawasna aya dina unggal bisnis, kaasup bisnis snack. Anjeun teu kedah hariwang ngeunaan kompetisi. Jieun inovasi pikeun nyiptakeun jarak sareng pesaing bisnis anjeun.\n\nKalayan inovasi, produk snek anjeun bakal béda. Salaku tambahan, inovasi tiasa ningkatkeun penjualan kusabab anjeun nyayogikeun anu énggal.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6102", "text": "Nuju semester genep, abdi ngiringan program magang di salah sahiji perusahaan ternama di Indonesia. Abdi magang salila tilu bulan, jeung alhamdulillah kenging penghasilan bulanan. Abdi magang dina bagean marketing produk. Saban magang teh abdi kenging seueur pisan elmu sareng pangalaman nu berguna jang engke abdi ngalamar damel pami lulus kuliah. Pasalna, ieu perusahaan teh kaasup salah sahiji startup terkemuka di Indonesia. Ku pangalaman magang ieu abdi yakin bakal bisa ngembangkeun kamampuan jang nunjang karir kahareupna. Abdi magang na hybrid, kadang asup ka kantor, kadang online lewat Zoom meeting. Periode magang na ge tergantung posisi, harita mah abdi tilu bulan teh samingguna ngan asup opat poe.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7910", "text": "Salah sahiji cara anu gampang anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngumpulkeun dana darurat ku cara efektif nyaeta ngagunakeun jasa asuransi. Ngagunakeun jasa asuransi ieu mangrupikeun cara anu gampang pikeun urang supados gaduh tabungan dana darurat. Dina asuransi urang kapaksa nyimpen dana ngarah bisa dipake dina kaayaan darurat. Ieu tiasa janten pilihan pikeun ngajantenkeun dana darurat urang tiasa leuwih difokuskeun. Biasana lamun urang miluan asuransi mah duit panghasilan urang teh bakal langsung kapotong ku asuransi. Janten urang teu kedah riweuh-riweuh nyisihkeun duit sorangan lantaran biasana sok poho jeung sok kapake deui kanggo sapopoe. Komo cara daptar asuransi oge di jaman ayeuna mah tos hampl pisan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8661", "text": "Pendaki kedah gaduh kamampuan salamet di gunung sabab seueur faktor anu tiasa ngajantenkeun kaayaan teu tiasa diprediksi bahkan bahaya nalika naek. Pendaki bisa leungit ti jalur nu aya, sarta lamun maranehna teu boga kaahlian hirup di gunung, maranehna bisa bajoang pikeun manggihan jalan kaluar sarta bisa nyangkut dina gunung pikeun periode lila. Cuaca buruk sapertos badai salju, hujan ageung, atanapi angin kencang tiasa nyababkeun naekna bahaya pisan. Kamampuhan pikeun salamet di gunung tiasa ngabantosan pendaki pikeun nyandak kaputusan anu bijaksana sareng tetep aman dina kaayaan cuaca anu goreng. Kacilakaan nalika naek gunung tiasa bahaya pisan, khususna upami pendaki henteu ngagaduhan kaahlian salamet gunung. Dina kaayaan ieu, kaahlian hirup di gunung bisa mantuan pendaki pikeun ngubaran tatu sorangan sarta nyieun kaputusan ngeunaan kumaha carana meta dina kaayaan darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "41", "text": "Alpuket salah sahiji buah nu ku urang teu dipikaresep, jadi olahan alpuket nanaon ge kaasup nu dijieun jus atawa nu aya dina es campur, nepi ka nu dicampur jeung kopi ge urang teu resep. Keur leutik pernah ngadahar alpuket teh rasana aneh, eta sakali-kalina dahar buah alpuket. Nepi ka pas mesen es campur, tuluy di jerona aya alpuketan, urang mah kajeun misahkeun alpuketna atawa bikeun ka batur. Lamun ningali jus alpuket teh sok sebel hayang utah. Sanajan ayeuna loba rupa-rupa alpuket nu dicampur jeung bahan nu sejen, siga kopi, es teler, atawa nu ditambahan keju, tapi tetep urang teu minat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7379", "text": "Sanggeus junun jadi juara, petinju ti nagara sejen geus sababaraha kali nangtang Chris John dina ring tinju. Saloba dalapan belas kali Chris John nantang lawan dina statusna salaku jawara dunya. Sanajan kitu, Chris John sukses meunang sagala patandingan. Chris John junun mertahankeun statusna sabage jawara dunya sarta ngajadikeun Indonesia bangga. Anjeunna oge disbut \"The Dragon\" atanapi \"Naga\". Chris John dibabarkeun di Banjarnegara, Jawa Tengah, 14 September 1979. Anjeunna geus latihan tinju ti umur lima taun. Anjeunna ngan ukur latihan di kebon jagong sareng dibimbing langsung ku ramana. Bapana salawasna ngamotivasi Chris John pikeun jadi jawara dunya. Konci Chris John pikeun sukses nyaeta wani ngimpi, kerja keras, sareng disiplin.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9508", "text": "Nonton pilem bajakan mangrupa kalakuan anu teu meunang dilakukeun, sabab pilem bajakan teh kaasup kalakuan kriminal anu ngarugikeun produser jeung pembuat pilem. Produsen pilem ngaluarkeun biaya anu ageung pikeun ngahasilkeun pilem, kalebet biaya produksi, promosi, sareng distribusi. Lamun pilemna dibajak jeung dilalajoan sacara ilegal, maka produserna moal narima kauntungan anu kuduna dimeunangkeun tina ngajual tiket atawa mintonkeun film di bioskop atawa televisi. Nonton pilem bajakan oge ngabahayakeun pikeun seniman pilem, kawas sutradara, aktor, jeung awak pilem, geus meakeun waktu jeung usaha pikeun nyieun film. Lamun filmna dibajak sacara ilegal, maka nu nyieun pilem moal narima gaji atawa royalti nu kudu ditarima. Ku alatan eta, urang kedah ngahindarkeun nonton pilem bajakan. Hayu urang lalajo pilem tina sumber anu sah sareng sah pikeun ngadukung industri pilem Indonesia.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2682", "text": "Salian ti nyegah barudak ulin di luar imah tanpa pangawasan, kagiatan ekstrakurikuler sabenerna loba mangpaatna. Naon éta aranjeunna? Ieu mangpaat olahraga ekstrakurikuler di sakola pikeun barudak.\n1. Ngabentuk kapribadian anak\nHenteu ngan ukur séhat pikeun awak, kagiatan ekstrakurikuler olahraga di sakola ogé tiasa ngabantosan ngawangun kapribadian budak. Pikeun ngahontal kameunangan atanapi hasil anu dipikahoyong, budak bakal rajin latihan, Biasana barudak anu ilubiung dina kagiatan di sakola condong leuwih taat kana aturan jeung disiplin. Sajaba ti éta, ogé bakal leuwih gampang pikeun barudak diajar narima eleh jeung narima kritik.\n2. Numuwuhkeun kaparigelan sosialisasi barudak\nUmumna olahraga ekstrakurikuler di sakola dilaksanakeun sacara kelompok. Barudak bakal papanggih ti kelas séjén, komo ti sakola séjén. Salian ti ngalegaan lingkungan silaturahmi budak, ogé bisa diajar loba hal, saperti gawé bareng, sosialisasi, jeung kamampuh komunikasi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "145", "text": "Beus salah sahiji transportasi anu geus lumrah, loba oge tujuanna, biasana naek di stasiun. Salah sahiji stasiun beus anu aya di Bandung teh nyaeta Stasiun Leuwipanjang. Ayeuna mah stasiun ieu geus diomean jadi leuwih alus pisan. Harita pas urang rek ka Banten ge rada reuwas sabab stasiunna megah pisan, geus siga bandara tapi versi mini. Di jerona ge geus make eskalator, tuluy dihareup panto na geus aya nu nyambut, lamun bingung bisa ditanya-tanya. Ngan beusna teh ngetemna rada lumayan lila teu sasuai jadwal nu ditangtukeun. Tuluy ti stasiun nepi gerbang tol Pasirkoja pasti jalanna lalalunan sabab neangan deui penumpang. Jeung deuih teu tartib, sok nurunkeun penumpang di sisi tol. Padahal eta bahaya pisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2370", "text": "Carita lucu ngeunaan kapinteran kelenci salawasna ngandung nilai-nilai anu hadé. Kusabab éta dongéng téh hadé pisan pikeun dijadikeun bahan bacaan barudak. Sabab bakal bisa neuleuman ajén kahadéan dina éta dongéng. Samemeh ngawitan ngadongengkeun sababaraha dongeng kasundaan, aya alusna urang maham heula harti dongeng. Naon bédana dongéng jeung dongéng atawa dongéng séjénna? Sabenerna aya sababaraha rupa carita anu biasa urang kadenge turun-tumurun. Tétéla legenda, folklor, mitos atawa carita mitos, jeung fabel mangrupa bagian tina dongéng. Dongéng nyaéta dongéng anu diwariskeun sacara turun-tumurun sarta henteu bener-bener kajadian. Dongéng biasana asalna ti golongan masarakat nu tangtu, patali jeung wewengkon nu tangtu, patali jeung kapercayaan nu tangtu, jeung ngandung implengan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "559", "text": "Lamun meuli oleh-oleh khas daerah berarti geus boga kontribusi jang penguatan ekonomi warga di tempat nu ku urang datangan. Sababaraha nu meunangkeun mangpaat pas urang meuli oleh-oleh teh nyaeta pengrajin nu nyieun produk oleh-oleh, karyawan nu gawe di tempat produksi atawa toko oleh-oleh, nu nyadiakeun bahan baku, nu boga toko, kaasup pemerintah daerah. Kauntungan sejenna mun meuli oleh-oleh teh nyaeta ngamumule produk-produk khas daerah. Bisa wae aya sababaraha produk khas daerah nu geus jarang ninggali, sabab jarang aya nu meuli nepikeun ka teu produksi deui. Tah ku cara meuli produk-produk khas daerah jeung merekeun ka batur, urang ilu biung bisa ngenalkeun produk eta sacara luas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7385", "text": "Matras yoga dipikawanoh ku ngaran basa Inggris non-slip mats, non-skid mats, atawa sticky mats. Baheula, teu aya tiker yoga. Baheula, urang India latihan yoga dina jukut jeung taneuh gundul. Tapi, pikeun jalma anu kawilang beunghar, maranehna latihan ngagunakeun kulit kijang atawa macan. Sanggeus dipikawanoh ku urang barat, tikar yoga dijieunna tina katun. Aranjeunna latihan dina ubin kai. Sangkan teu leueur, lapisan handap kapas dibere karet. Dina 1982, guru yoga di Jerman ngagunakeun karpet pikeun latihan yoga. Nalika anjeunna balik ka Inggris, bapana ngahasilkeun rug dina jumlah badag sarta jadi produsen mat yoga anu kahiji. Kiwari, tikar yoga didamel pikeun ngirangan resiko cidera lantaran tiseureuleu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9459", "text": "Basa bulan madu, Ernest jeung istrina wisata ka Bali. Manehna indit sapoe saberes nikah. Ti Bandung, Ernest jeung istrina naek pesawat jam satu beurang, nepi di Bali sore. Sanepina di ditu, Ernest jeung istrina langsung ka hotel The One di Legian. Sanepina di kamar, Ernest jeung pamajikanna ngarasa kagum ku interior eta kamar. Warna oren nu dicampur ku warna krem mawa suasana nu pikabetaheun tur seger kana mata. Saberesna beberes sagala rupa babawaan di kamar, tuluy Ernest jeung pamajikanna naek ka Sky Pool di lantai pang luhurna hotel. Pemandangan jeung kolam renangna endah pisan. Ernest jeung pamajikanna karek ngalaman renang di Sky Pool. Manehna ngarasa puas milih hotel ieu jadi tempat bulan madu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9415", "text": "Resep kadaharan anu ku simkuring bade bagi dinten ieu nyaeta resep ayam bakar bumbu kecap. Resep ieu babari pisan didamel sareng cocok pikeun dituamg sareng kulawarga atanapi babaturan. Pikeun nyieun hayam bakar bumbu kecap ieu, mimitina anjeun kudu nyiapkeun bahan kayaning 2 kilo daging hayam, 2 sendok kecap amis, 1 sendok uyah, 1 sendok gula, jeung 1 sendok bubuk pedes. Lajeng, campur kabeh bahan jeung aduk nepi ka rata. Salajengna, bakar hayam anu tos dibumbuan dina areng panas nepi ka asak. Sanggeus asak, sajikeun hayam bakar kecap ieu kalawan sangu haneut atawa lalaban sayur seger. Rasa gurih sareng lezatna pasti bakal ngajantenkeun sadayana nu nyobaan kagum ka anjeun! Ku kituna ulah ragu pikeun nyobaan resep hayam bakar bumbu kecap ieu di bumi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5058", "text": "KA wisata nyaeta salah sahiji kareta nu fungsina jang melayani wisata. KA wisata beda jeung KA reguler, bedana nyaeta dina segi harga, pemesanan, jeung fasilitas. KA wisata mah kaitung kareta anu fasilitasna lengkap tur mewah, sabab nu nyewa na oge biasana sanes orang sambarangan. KA wisata ngalayani rute lintas Jawa, oge nyadiakeun paket tour and travel. Pemesanan na tiasa perorangan atawa carter pergerbong. Fasilitas nu disadiakeun beda-beda tergantung tipena, ngan rata-rata tos aya AC, pelayan khusus, ruang makan, TV, toilet, jeung sajabana. Pokokna naek KA wisata mah mantak betah we, fasilitas mewahna ngajadikeun urang bisa nikmati perjalanan tanpa buang waktu sia-sia. Pelayanan nu diberekeun sabanding jeung hargana. Dina KA wisata oge urang bisa karaokean. Psat KA wisata nyaeta di stasiun Gambir. Tah baraya, tiasa meureun sakali-kali urang nyobian wisata ngangge kareta wisata ieu, tong ngangge mobil atawa motor wae. Wisata kana kareta kan rada unik kadanguna, teu aya salahna mun nyobian ieu transportasi!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5352", "text": "Abdi gaduh pangalaman nu berharga pisan dugi ka ayeuna. Harita abdi bade daftar ka perguruan tinggi negeri. Abdi tekun diajar soal-soal tes na. Pas tempo pengumuman, abdi dinyatakeun teu lolos. Abdi sedih pisan, abdi nyobian ngalenyepan penyebabna, apakah karena dosa abdi nu masih ngajalin bobogohan. Teras tanpa mikir panjang abdi mutuskeun teu bobogohan deui terus fokus kana tes selanjutna di kapus lain. Alhamdulillah abdi katarima. Abdi bungah kacida ngadangu katampi di kampus eta. Tah tidinya abdi nyimpulkeun yen bobogohan teh leres ngahambat pisan kana sagala hal nu kuduna bisa diraih ku urang. Yuk ah urang jahan zina, supaya sagala urusan urusan dipaparin kalancaran.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2011", "text": "Naon rutinitas nalika santai? Mimiti, buka telepon sélulér teras ngamimitian maca jawaban, naroskeun patarosan, sareng ngawalon patarosan dina email. Kadua, ngagolér bari ngupingkeun murottal Al Qur'an tangtuna bakal matak betah tur lega. Upami diperlukeun, tambahkeun kana memorization Anjeun. Tapi upami anjeun non-muslim, mangga diajar buku agama anjeun. Katilu, ngadéngékeun warta radio atawa lalajo TV ogé karasaeun alus. Bakal nambahan wawasan sareng pangaweruh. Sarta ogé bakal salawasna diropéa kalawan beja panganyarna. Kaopat, bisa ogé maca buku karesep, upamana: buku kaséhatan, buku agama, koran, komik, jeung sajabana. Kalima, cobian pariksa teras punten bales pesen dina obrolan anjeun. Saha anu terang aya anu penting sareng langsung peryogi anjeun ngabales.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5489", "text": "Tarian tradisional Indonesia nu kakoncara kamana-mana dugi ka kancah internasional salah sahijina nyaeta Tari Saman. Tari Saman mangrupakeun tari tradisional nu asalna ti Aceh. Tarian ieu ngusung tema ngeunaan kabersamaan, kakompakan, jeung solidaritas. Mantana, tai ieu dibawakeunna kedah ku lobaan. Gerakan nana lincah jeung energik, mantak kedah kompak hiji jeung sejenna. Kakompakan nu jadi point utama dina ieu tarian teh. Biasana lain saukur nari hungkul, tapi dinilai oge kumaha ngamula syair atawa lagu jeung ngamulai gerakan. Mun aya we saurang nu poho gerakan, bakal kacau kanu sejenna. Dua geakan inti dina Tari Saman nyaeta gerak tepukan tangan jeung gerak tepukan dada.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4171", "text": "Sakumaha urang terang, Indonésia miboga rupa-rupa suku, budaya, basa, agama jeung kapercayaan. Di Indonésia waé, aya 6 agama anu diaku sacara resmi, tangtu aya kitab suci, tata cara ibadah, hari raya, jeung tempat ibadah pikeun unggal agama di Indonésia. Nagara méré kabébasan ka wargana pikeun ngagem agama jeung ngalaksanakeun ibadah nurutkeun ajaranna masing-masing. Dumasar kana Pasal 28E ayat 1 UUD 1945, unggal warga masarakat bébas ngagem agama jeung ngalaksanakeun ibadah nurutkeun agamana. Éta kabébasan pikeun urang Indonésia pikeun nganut salah sahiji tina genep agama anu diaku ku nagara Indonésia. Kapercayaan ka Tuhan ogé geus disebutkeun dina Pancasila minangka dasar nagara Indonésia.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2703", "text": " Pecinta Olahraga Ekstrim, olahraga ekstrim nyaéta olahraga anu résiko luhur pikeun anu ngalakukeunana. Henteu ngan ukur tatu, tapi jiwa tiasa dipertaruhkeun nalika ngalakukeun olahraga ekstrim. Bari urang mikir yén Ngahindarkeun kaayaan bahaya nyaeta pamikiran rasional, aya sababaraha urang anu sabenerna wani Modal kana bahaya.\r\nSanaos henteu asup akal, nyatana aya sababaraha alesan psikologis anu nyababkeun jalma resep olahraga ekstrim.\r\n1. Dopamin Rendah jeung Serotonin Ningkat\r\nHenteu janten rahasia yén émosi urang dipangaruhan pisan ku hormon dina awak, kalebet hormon dopamin sareng serotonin. Hormon dopamin mangaruhan rasa kasenangan tina cinta, kabungahan, motivasi, sareng kapercayaan diri. Samentara éta, hormon serotonin mangaruhan haté, gairah seksual, sare, jeung kabiasaan sosial. Lamun urang kakurangan serotonin, urang bisa ngarasa depresi, capé, jeung hariwang.\r\nNumutkeun kana panilitian Monasterio, anu resep olahraga ekstrim ngagaduhan tingkat rendah hormon dopamin sareng serotonin. Kusabab kaayaan éta, aranjeunna saimbangkeun sareng olahraga", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7171", "text": "Lamun urang gaduh sangu garing tilas peuting tong langsung dipiceun. Urang tiasa ngadamel ranginang ti sangu garing ieu asalkan sanguna teu biye jeung teu bau. Ranginang mangrupakeun kurupuk karesep urang Sunda, bakating ku resepna, biasana sok mineng disajikeun pas hajatan. Ranginang raos pisan lantaran rasana gurih jeung nyakrek pisan. Komo lamun didahar jeung kuah baso atawa kuah pempek dijamin moal ereun. Ngadamel ranginang ti sangu garing gampang pisan tinggal campurkeun jeung bawang bodas jeung tarasi, anu paling penting mah kedah dipoe di handapeun panonpoe nepika garing pisan meh beukah pas digoreng. Lamun urang tiasa mangpaatkeun sangu tilas janten dahareun anu tiasa didahar jeung rasana ngeunah, urang tos ngabantos ngurangan runtah dahareun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "594", "text": "Kadaharan khas daerah kudu di modifikasi sabab bisa mere variasi rasa anu beda, contona bisa dibere rasa nu beda jeung nu geus aya saacanna. MIsalna mun di Bandung mah kadaharan odading, ayeuna odading teh teu ngan ukur polos hungkul. Tapi aya hiji UMKM nu nyiptakeun rasa odading ku rupa-rupa rasa anu kekinian, siga rasa coklat, stroberi, green tea, jeung sajabana. Menurut urang mah ieu perlu dilakukeun sabab meh teu katinggalan zaman jeung bisa nyesuaikeun ku kabutuhan pasar. Komo lamun dibungkusna leuwih unik mah, misal aya desain atawa bungkusanna leuwih bergambar, teu ngan saukur dibungkus make kertas mah. Ieu bakal daya jualna leuwih tinggi deui.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7926", "text": "Urang kedah tiasa ngabedakeun bungbuahan atawa tatangkalan anu aya racunan jeung bungbuahan jeung tatangkalan anu teu aca racunan. Anu kahiji nyaeta tingal heula aya teu sasatoan anu nyamperkeun tatangkalan eta, biasana lamun aya didekeutan ku sasatoan hartina eta tatangkalan teh teu aya racunan. Tina bauna oge tatangkalan anu aya racunan biasana gaduh bau anu nyereud pisan. Biasana bau tina racun tatangkalan bakalan nyebabkeun seeul, nyeri dina sirah jeung nyareri awak. Lolobana tatangkalan anu aya racunan oge biasana sok aya geutahna bodasna jeung gaduh warna anu mencrang pisan. Daun tatangkalan anu aya racunan oge biasana gaduh warna anu hejo anu kuleuheu. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "859", "text": "Pertandingan futsal antara Indonesia ngalawan Jepang di semifinal. Di mimiti pertandingan, Jepang langsung ngalakukeun serangan. Jepang ieu sabenerna mirip-mirip kakuatanna dina screening bola, pokona kahade weh. Tuluy iraha kudu nyokot bola, iraha kudu ngalakukeun delayna. Katinggalina Indonesia nyoba jang ngalakukeun naon nu dilakukeun ku Arab Saudi di fase grup, sakeudeung nungguan tuluy nyoba jang ngalakukeun intersef jeung ngalakukeun serangan balik sagancang-gancangna. Jadi meureunan akhirna tipena rada mirip, jeung keur 3 gawang tangtuna tenang. Ieu emang kudu dilakukeun, teu kudu loba nguasaan bola tapi unggal nguasaan bola kudu bisa nyieun peluang. Lantaran mun teu kitu, bakal hese ngagolkeunana sabab pertahanan Jepang rapet hese ditembusna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1561", "text": "Aya sababaraha cara hirup bertetangga anu alus. Nu mimiti urang kudu wanoh ka tatangga urang sorangan, carana nyaeta urang ngomong jeung manehna jeung nanyakeun kabarna kumaha. Hal ieu bisa ngawangun hubungan anu leuwih alus jeung silih wanoh urang jeung manehna. Nu kadua urang oge penting jang ngahormat kana privasi sewang-sewangan. Urang ulah milu kana urusan pribadi tatangga urang sorangan, tapi oge kudu siap mantuan mun aya kabutuhan. Nu katilu ngajaga kaberesihan, jaga lingkungan sabudureun urang ngameh tetep beresih jeung rapih, kaasup jalan leutik, gang, atawa buruan hareupeun imah. Ieu bisa mantuan lingkungan jadi leuwih aman jeung nyaman. Nu terakhir urang kudu siap mun tatangga ngabutuhkeun bantuan, siga ngabereskeun sampah, menerkeun karusakan imah, jeung sajabana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4509", "text": "Pencak silat mangrupa cabangna olahraga pikeun ngalenyepan pangaweruh siswa siswi ngeunaan salasahiji silat nu aya di Indonesia. Pencak silat téh dipak dina ékstrakurikuler hususna di loba sakolaan biasna mah dina tingkat SMA Ékstrakurikuler pencak silat mangrupa ajang pikeun siswa anu kakara hayang silih kenal jeung anu geus boga kaparigelan dina pencak silat. Sangkan bisa mekarkeun jeung ngébréhkeun diri ngaliwatan penca silat ieu. Kursus ekstrakurikuler pencak silat dibuka pikeun sakumna siswa anu hayang miluan, boh nu pinter pencak silat boh nu can pinter penca silat. Tujuan ekstrakurikuler pencak silat nyaéta jadi tempat pikeun siswa mekarkeun minat jeung bakatna dina silat, ngarahkeun siswa/I pikeun ngalakukeun kagiatan anu leuwih positif, kamampuhan saluran sareng ningkatkeun kinerja kitu ogé ngalatih méntalitas sareng disiplin diri murid. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4656", "text": "Tren téknologi terus robih. Lebetkeun 2023, aya opat ahli nyobian ngaduga tren téknologi masa depan. Kecerdasan buatan (AI) geus jadi bagian tina kahirupan sapopoe manusa. Mulai ti e-commerce kana algoritma média sosial. Tren na meledak ieu bakal muncul dina gambar sareng musik di 2023, saur ko-pangadeg sareng CEO Addo, Ayesha Khanna. Nurutkeun manéhna, AI moal ngagantikeun manusa tapi AI bakal jadi anggota tim anyar pikeun manusa dina loba pagawean, nyumbangkeun ide sareng konsép. Khanna ogé nambahan yén leuwih loba pagawean anu diperlukeun pikeun mastikeun ko-pilot AI generatif. Contona Copilot GitHub, pikeun mantuan pamekar kode utama na di bidang kawas kasehatan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4132", "text": "Urang biasana geus teu aneh kanu ngarana acara maulid anu biasa di ayakeun acara boh di lingkungan imah urang di sakola sakolah nepi ka di gedung gedung kantoran tempat urang di gawe. Naon ari maulid teh? Maulid Nabi Muhammad SAW teh nyaeta tahun kalahiran junjungan urang nyaeta Nabi Muhammad SAW anu lahir di 12 Robiul awal, maulid nabi muhammad ieu biasana oge di rayakeun anu matak dulur atawa babaturan ti agama sejen apaleun. Maulid Nabi Muhammad SAW di rayakeun kusabab geus jadi bagean ti tradisi jeung budaya anu geu lila aya di masarakat di loba daerah. Maulid nabi muhammad tahun ieu aya di tanggal 28 september 2023 anu geus di tetapkeun jadi hari besar libur nasional. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1156", "text": "Gawe di kantor tangtuna impian jang loba jelema, salian gawena teu papanasan, oge dicap ku masarakat yen gawe di kantor teh geus ka sebut jelema anu sukses. Ieu kaalaman ku urang baheula pas masih gawe keneh di Wedding Organizer salaku sekretaris. Mun unggal mangkat ti imah teh isuk-isuk tuluy ditanya ku tatangga, bade ngantor? Di jawab muhun. Sok aya rasa reueus anu padahal mah biasa wae. Mun ditinggali dina gajih ge asana leuwih gede nu dagang bakso dorong tibatan urang anu gawe aya kantoran. Pedah meureun cara gawena leuwih ngeunah, urang mah dina AC sabari diuk. Sedengkeun nu jualan bakso mah kudu ngadodorong bari panas panon poe.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4537", "text": "Kagiatan olahraga di jero na terdiri ti gerakan gerakan berurutan anu teu jarang dina ngalakukeuna aya kadian kajadian teu kaduga saperti cidera. Loba rupa rupa jenis cidera tinu mulai cedera ringan anu bisa di ubaran ku istirahat jeung di pencetan nepi ka cidera parah anu kudu butuh di ubaran khusus ku terapi atawa nepika butuh operasi. Cidera bisa kajadian lamun gerakan anu urang lakukeun gerakan lumangsung anu mobilitas jeung teu élastis atawa kaku. Gerakan anu nyieun otot atawa sendi urang teu stabil atawa reuwaseun eta nu nyieun cedera tapi biasa na mah nga cedera ringan anu bisa cageur lamun di ubaran ku minum obat jeung istirahat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "175", "text": "Olahraga bisa jadi salah sahiji kagiatan nu bisa dilakukeun pas boga waktu luang, sabab olahraga loba mangpaatna di tengah kasibukan aktivitas. Di antarana bisa ningkatkeun konsentrasi, ku olahraga, sumber energi bakal nambahan. Olahraga siga leumpang salila 10 menit isuk-isuk mampu nambahan fokus. Lamun olahraga sore bisa nyieun sare leuwih tibra pas peutingna. Salian ti eta, olahraga oge bisa ngurangan stres jeung emosi, pikiran nu loba teuing bakal ngabalukarkeun otot-otot di awak jadi heuras. Olahraga leumpang, nyapedah, renang, bisa mere efek bagja jadi bakal leuwih santai jeung percaya diri. Terakhir, olahraga nambahan waktu nu berkualitas jeung babaturan atawa kulawarga sabab bisa ningkatkeun kualitas hubungan sakaligus ngalepaskeun beban.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7962", "text": "Di desa lolobana jalmi gawe di sawah janten patani atawa ngebon. Matak teu heran lamun urang resep ningal sawah anu lega pisan aya di desa lantaran di dieu mah seeur keneh sawahna, teu sapertos di kota anu tos seeur bangunan anu jarangkung jeung loba jalan gede. Di lolobana sawah anu aya di dieu biasana sok aya bebegig sawah di tengah sawah kanggo ngajagi pare supados teu diemam ku manuk, biasana lamun geus rek asup ka usum panen sok seeur manuk anu ngaganggu sawah. Bebegig di sawah ieu aya seeur jinisna, aya nu bentukna sapertos jalmi anu make topi, aya oge anu tina tali panjang tuluy dikalengan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2775", "text": "Abdi parantos di bumi salami 7 taun nganggo mesin cuci tabung tunggal anu dibuka merek Samsung. Alesanna nyaéta yén mesin cuci tabung tunggal langkung praktis, sabab ku hiji waktu ngaguer mesin cuci teras di poekeunweh nya tetep di panonpoé. Teras ngalereskeun mesin cuci muka tabung tunggal langkung gampang dilereskeun. Sareng kuring milih merek ieu, sabab kuring pariksa toko online, seueur bagian, bahkan aya anu gaduh KW. Ieu ngandung harti yén mesin cuci ieu pohara populér sarta ngabogaan loba pamaké. Janten upami tos ruksak, teu kedah hariwang kedah digentos ku anu énggal, tinggal ganti bagianna. Contona, kamari ujug-ujug mesin teu hurung, paling sering ti mainboard. Kamari gentos ku mainboard KW 200 rebu sareng Alhamdulillah tiasa dianggo deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2679", "text": "Kuring diangkat jadi palatih ekstrakurikuler sepak bola, ekstrakurikuler anu matak dipikaresep ku murid-murid sabab maén bal téh olahraga nu pang populerna di Indonésia. Saprak nyokot sakola ekstrakurikuler ieu, kuring ngalaman tangtangan anu gedé, sabab kuring kudu nyanghareupan realitas masalah disiplin anu kurang di siswa, fasilitas lapangan maén bal anu teu sadia di sakola, masalah sapatu maén bal, bal, jeung masalah kostum. . Neangan lapang teh hese pisan, kuring kudu ngurilingan wewengkon sabudeureun sakola neangan lapangan sepak bola, ahirna sapuk rek nyewa sawah di Arhanud. Kami nyéwa lapangan per bulan sareng janten anggota tanpa biaya anu sakedik. Sabulan urang kudu mayar nyéwa sawah sakitar Rp. 500 rébu rupiah kalayan latihan saminggu sakali, latihan dilaksanakeun saban poé Saptu ti jam 14.00 nepi ka 16.00 WIB.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1972", "text": "Dina mangsa low season atanapi ker sepi. Sapertos tikét kapal terbang, akomodasi ogé boga periode low jeung puncak usum. , usum low season hartina mangsa jalma condong teu indit-inditan, sangkan hiji tempat leuwih sepi ti biasana. Lamun cicing salila bulan low season, umumna anjeun bakal condong meunang ongkos kamar laér leuwih murah. Ieu kusabab akomodasi ogé nyobian narik minat atanapi perhatian kusabab kurangna sémah. \"Ayeuna, usum low, contona, Pébruari sareng Maret. Biasana tiasa langkung mirah lima dugi ka 20 persen,\" terangna. Sanajan kitu, periode low season pikeun akomodasi ogé boga kaleumahan. Sacara umum, aya mangsa low season sabab nyaluyukeun jeung cuaca. \"Tapi aya ogé anu kontra. Biasana dina usum low season ieu ogé dipangaruhan ku cuaca. Jadi misalna ngumbara atawa indit ka hiji wewengkon, cuaca mendung jeung mindeng hujan,\", Ieu ngandung harti yén, sanajan hargana murah, tamu hotél bisa jadi teu boga kabébasan pikeun indit liburan atawa ngarambat sabab cuaca teu nguntungkeun. Tapi, numutkeun anjeunna ieu masih tiasa diantisipasi. “Tapi bisa diantisipasi, nu penting mah cukup diatur waktuna,” pokna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9308", "text": "Samemeh urang mutuskeun rek hirup duaan jeung pasangan, urang oge kudu boga komitmen anu kudu disepakati ku duaan oge. Lamun urang bisa ngajaga bener ieu komitmen, hirup duaan jeung pasangan oge pasti bakal makin kuat. Bisa ngajaga komitmen teh jadi ciri jeung bukti yen urang teh geus siap ngalengkah duaan nyanghareupan sadaya rintangan nu bakal aya dina kahirupan duaan engke, jeung tantangan anyar anu kudu dibereskeun ku duaan oge. Contona komitmen jadi pasangan anu jujur tur satia. Komitmen ieu teh kudu bener-bener dijaga ameh teu nimbulkeun masalah dina hubungan urang jeung pasangan. Sakali weh ngalanggar ieu komitmen, hubungan urang teh moal bisa balik deui siga awal. \r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1894", "text": "Industri kadahan ngadorong jajanan tradisional anu paporit di masarakat supados lewih wentar jeung ajeg ngalewatan tokoh utama anu dilakukeun ku usaha mikro, leutik sareng sedeng (UMKM) anu diciptakeun ku ibu-ibu milenial pikeun bersaing di pasar modern. Salah sahijina nya éta ku cara méré bahan baku anu berkualitas pikeun nyieun jajanan tradisional, saperti tipung ketan jeung tipung béas.Kréativitas masarakat dina ngolah jajanan tradisional Indonésia bisa dilakukeun ku cara ngamodifikasi masakan ieu tanpa ngaleungitkeun bahan utama dina prosés manufaktur. Contona, klepon dieusi coklat atawa kéju, gemblong ditutupan ku green tea . Malah, ayeuna loba usaha leutik ogé mawa masakan tradisional kana wangun modern, saperti kueh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6781", "text": "Masihan artos ka panti asuhan tos biasa, janten abdi sareng rerencangan ngabantosan panti kanggo ngadamel taman baca, supados barudak panti resep maca buku. Panti Asuhan Yayasan Al-Furqon, gaduh ruangan anu bade didamel ruang baca, janten abi sareng rerencangan komunitas ngabantosan ngacet tembok supados barudak sumanget maca di dieu. Urang oge ngempelkeun buku-buku anu masih keneh tiasa dibaca kanggo barudak. Arurang oge ngayakeun pelatihan kumaha carana ngangge aplikasi canva kanggo ngedit poto.Sadaya modal kanggo ngacet panti dipasihan ti donatur, teras dipeserkeun cet, koas, jeung sajabana. Barudak oge dipiwarang nulis cita-cita masing-masing kanggo ditempelkeun dina tembok anu tos aya gambar tangkal gede.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7015", "text": "Puasa dina sasih Ramadhan janten salah sahiji ibadah anu penting pikeun umat Islam. Puasa mantuan pikeun ningkatkeun rasa welas asih jeung ta'at ka Alloh, sarta ningkatkeun taqwa ka Anjeunna. Salian ti eta, puasa oge mere kasempetan pikeun ningkatkeun kamampuh nahan jeung nguatkeun sumanget. Ku puasa, urang tiasa ngalaman pangalaman spiritual nu bisa mangpaat kanggo kahirupan urang sapopoe. Puasa oge mantuan pikeun ngalatih urang janten jalmi anu toleran jeung sabar. Kalayan kasabaran, urang tiasa ngatasi cubaan sareng ningkatkeun kasuksesan dina sagala hal. Puasa oge janten jalan pikeun ningkatkeun iman jeung taqwa. Puasa oge bisa janten jalan kanggo ningkatkeun kasadaran urang ngeunaan kaayaan sosial jeung pulitik di sabudeureun urang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4618", "text": "Kaméra mangrupikeun alat anu paling populér dina kagiatan fotografi. Ngaranna diturunkeun tina kaméra obscura, basa Latin pikeun \"kamar poék\", anu diciptakeun ku Al Haitam atanapi Alhazen sakitar 1000 Masehi, mékanisme awal pikeun nampilkeun pandangan dimana kamar fungsina sapertos kaméra fotografik modern. euweuh jalan dina waktu éta pikeun log penampilan gambar na salian sacara manual nuturkeun kalungguhan na. Dina dunya fotografi, kaméra mangrupa alat pikeun ngabentuk jeung ngarékam gambar potrét dina lambaran pilem. Dina kaméra televisi, sistem lénsa ngabentuk gambar dina piring sénsitip cahya. Lempeng ieu bakal ngaluarkeun éléktron kana piring sasaran nalika kakeunaan cahaya. ngaganggu anjeunna nuluykeun, sinar éléktron dirawat sacara éléktronik. Aya seueur jinis kaméra potret anu dipikanyaho.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3993", "text": "Ka indahan dan kekentalan budaya jawa di yogya sangat menarik untuk di nikmati dan di pelajari, pusat kesenian dan budaya banyak di yogya dan mereka dengan teguh dab bangga di lestarikeun, ku bakat warga na bangga jeung ngamumule budaya bahasaseni nepi ka dahareun khas jeung sajabana ngajadikeun yogya salah sahiji provinsi nu kasohor, salian ti cerita sajarah baheula na. Yogya kota nu katata rapih pisan, akses na oge gampang harga dahareu oge murah jeung ramah na masarakat na jadi alesan loba batur nu resep jalan jalan bolak balik deui ka yogya. Di yogya aya hiji pasar nu padahal siga pasar biasa tapi kasohor pisan nyaeta pasar malioboro. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1991", "text": "Dieng teh kawentar jang tempat wisata geus narik loba jalma ti sakuliah dunya pikeun nganjang ka dinya, malah dina taun 1814 sababaraha urang Walanda kungsi datang ka Dieng, sarta iraha persisna Dieng mimiti boga padumuk nepi ka ayeuna taya nu nyaho. Kaayaan ayeuna loba anu masih bingung ngeunaan jalur ka Dieng, kumaha carana ka Dieng, angkutan naon anu kudu dipake jeung bekel naon anu kudu dibawa. nah kumaha carana mun urang ti Jakarta seueur beus anu saé anu ngalayanan jalur Jakarta-Wonosobo, di terminal Pulo Gadung, Kampung Rambutan, Merak, Bogor Bekasi, Lebak Bulus sareng Cimone, jarakna ti Jakarta ka Wonosobo sakitar 520 km, angkat beus biasana sakitar. Tabuh 05.00 WIB soré nepi ka Wonosobo saméméh subuh. Rute perjalanan: Jakarta – Purwokerto – Banjarnegara – Wonosobo – Dieng, tah nyampe di dieng teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1924", "text": "Peteuy mangrupakeunsalah sahiji lalaban nu disemsem di Indonésia, petai ogé ilahar kapanggih di sababaraha nagara Asia Tenggara lianna, kayaning Malaysia, Thailand jeung Filipina. Sayuran anu namina latin Parkia speciosa ieu malah sering dijantenkeun obat herbal sabab diyakini tiasa ngungkulan sagala rupa panyakit. Ningali lobana gizi anu dikandung dina petai, ulah heran lamun sayur ieu nyadiakeun rupa-rupa mangpaat kaséhatan. Sababaraha mangpaat petai anu anjeun tiasa kéngingkeun nyaéta:\r\n1. Kontrol gula getih\r\nPetai nyaéta kadaharan anu dipercaya alus pikeun ngatur gula getih. Ieu alatan kandungan antioksidan sarta bahan kimia béta-sitosterol jeung stigmasterol dina petai anu bisa nyegah lonjakan kadar gula getih.\r\n2. Ngungkulan inféksi\r\nSababaraha studi laboratorium nunjukkeun yén ekstrak petai sigana tiasa ngabasmi kuman sareng jamur anu nyababkeun inféksi. Papanggihan ieu masihan petunjuk yén petai berpotensi janten antibakteri sareng antijamur.\r\n.Henteu ngan éta, serat anu luhur dina petai ogé ngajantenkeun anjeun kenyang langkung lami, ku kituna dorongan pikeun tuang teuing tiasa ngirangan. Ieu tangtu bisa mantuan ngajaga beurat awak idéal Anjeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "806", "text": "Aya carana supaya budak teu males olahraga. Nu kahiji kudu jadi dicontoan heula ku urang ngarah diturutan ku budak. Nu kadua kudu dimimitian jeung ngabutuhkeun proses nu panjang, ieu bisa dimimitian ku ngajak budak leumpang 10 menit unggal poe. Saeutik-saeutik durasina ditambahan ngameh aya progres. Nu katilu bisa ajak babaturanna jang olahraga babarengan. Manehna pasti nyaman jeung sumanget mun aya babaturan olahraga mah moal bosen. Nu kaopat mun geus katinggali budak resep olahraga naon, daftarkeun ka klub olahraga atawa sewa pelatih. Boh eta olahraga ngojay, mengbal, jeung sajabana. Salian ti budak jadi rutin olahragana, manehna oge jadi loba babaturan nu resep kana hobi nu sarua.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4592", "text": "Ti mimiti taun 70-an, wacana nyieun komputer anu bisa dibawa jeung dipaké di mana waé geus jadi sawala serius diantara pabrik jeung désainer PC. Ngaliwatan kertas \"Dynabook\" buah leungeun Alan Key, panulis buku komputer anu ogé boga hiji pausahaan percetakan buku. Di jerona, Alan ngajelaskeun konsép dasar komputer anu bisa dibawa kamana-mana sarta henteu kudu disambungkeun kana listrik saban waktu. Konsep ieu ogé katelah tanaga, manipulator inpormasi portabel. Ieu dimana sajarah laptop tungtungna dimimitian. Tina hiji gagasan, ahirna jadi kreasi téhnologis anu loba dipaké. Sanaos kitu, sanés Alan anu tungtungna nyiptakeun laptop. Sajarah laptop munggaran sabenerna lahir ti leungeun Adam Osborne taun 1975. Dina ngawujudkeun gagasan ieu anjeunna gawé bareng jeung Felsenstein, nu boga pausahaan pabrik hardware, anu ogé profésional anu ahli dina nyieun sirkuit prosesor.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4983", "text": "Dina prose motoan dahareun, lain saukur aya peran fotografer makanan, tapi oge aya nu ngaan na penata makanan. Tah tugas penata makanan ieu teh ngabantuan si fotografer supaya makanan nu difoto bisa leuwih menarik jeung pikabitaeun. Contoh pagawean na nyaeta misalkeun dina moto dahareun, supaya leuwih menarik kudu aya efek haseup, tah si penata makanan teh nu kudu nyiapkeun eta haseup pas difoto na. Terus misalkeun dahareun supaya leuwih timbul tina wadah, dijero wadah na dibere tatakan deui supaya kesan na loba jeung menarik. Tah kurang leuwih kitu pagawean na teh. Gampang ngan emang ditubuhkeun kaahlian di bidang penataan. Palay nyobian janten penata makanan? hayu ah ngeureuyeuh ti ayeuna!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "28", "text": "Salad Roll salah sahiji opsi kadaharan anu keur diet. Salad emang geus kasohor salaku dahareun diet, tapi salad roll leuwih praktis deui siga dahareun kebab. Lamun keur diet jeung embung riweuh masak, menu ieu direkomendasikeun pisan sabab ngandung loba serat anu alus jang pencernaan. Nyieun salad roll oge babari pisan, bahanna simpel, ngan perlu daging sapi asap jeung sababaraha sayuran, siga wortel, saladah, bonteng, ulah poho make keju jeung rice paper. Cara masakna, kahiji masak daging sapi asap nepi asakna rata tuluy jait. Kadua, keueum rice paper dina cai asak salila 5 detik, tuluy angkat tendeun di tempat nu garing jeung bersih. Terakhir, tinggal di susun daging sapi, keju, wortel, jeugn saladah dina rice paper. Tinggal digulung rice paper siga risoles atawa lumpiah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4118", "text": "Sodakoh atawa sedekah nyaeta slah sahiji perbuatan anu ku Allah di pikaresep. Sodakoh teu kudu nungguan urang beunghar nepi ka boga itu jeung ieu. Teu kudu nungguan urang di anggap bageur ku batur teu kudu ngaharepkaeun pujian jelas mun kitu artina riya. Urang bisa mulai sodakoh saeutik saeutik samampuna urang teu kudu maksakeun. Bisa di mulai ku nu ngarana sodakoh subuh, tas sholat subuh urang bisa nyisihkeun duit misalna 2 rebu weh heula terus di tbunjeun ngke mun ges sabulan duitna geus ka kumpul bisa di sodakohkeun ka nu perlu misalna ka nini nini nu ges randa. Atawa ayeuna sok viral di social media, contoh alusn asocial media nyaeta anu ngarana sekedah jumat. Dimana unggal jumat urang balanja terus masak saayana sabisana teu kudu loba loba terus di bagikeun ka nu membutuhkan, saperti tukang parkir, tukang becak jeung sajabana. Jaman ayeuna aya social media ge lamun rek sedekah babari loba jelema nu bisa di titipkeun duitna keur jelema teu mampu, balik deu sagala ge kumaha niat na.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "186", "text": "Nonton film di bioskop teh babari. Kahiji, datangna leuwih awal, bisa oge mesen tiket ngaliwatan aplikasi bioskop. Ieu berguna, ngameh teu telat asup ka gedung bioskop. Nu kadua geus apal naon nu rek ditonton. Biasana resepsionis bakal nanya dek nonton naon. Nu katilu nentukeun posisi diuk, dasarna posisi diuk dibagi jadi luhur, tengah, handap. Lamun nonton di luhur bakal ngarasa nyaman, mata bisa ningali jelas. Diuk di tengah paling pas jang sabagian jelema. Nu paling teu ngeunah teh diuk di hareup, sabab leher cangkeul jeung mata bakal kering jeung peurih sabab kudu tanggah ka luhur. Nu kaopat, saacan nonton leuwih alus ka toilet heula, sabab ruangan bioskop aya AC an, jadi sok beser.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7099", "text": "Tujuan dilaksanakeunna upacara melasti anu kadua nyaeta Anganyutaken laraning jagat, hartina ngajauhan kasangsaraan masarakat. Jadi upacara melasti boga tujuan pikeun ngamotivasi sacara ritual jeung spiritual masarakat pikeun ngaleungitkeun panyakit sosial. Panyakit sosial saperti lolongkrang antargolongan, permusuhan antargolongan, wabahh panyakit anu ngarampa masarakat sacara masal, jeung sajabana. Sanggeus melasti kudu aya kagiatan nyata ngainventarisasi rupa-rupa masalah sosial pikeun manggihan solusi. Kalayan lengkah-lengkah anu konkrit ieu, sagala rupa panyakit sosial tiasa direngsekeun. Upacara melasti mangrupa lengkah anu sifatna niskala. Ieu kudu disaimbangkeun ku lengkah skala. Upamana ngalatih tokoh masarakat sangkan paham kana pangaweruh anu disebut “manajemén konflik” ngadidik masarakat pikeun nyegah konflik.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1144", "text": "Inget keur leutik urang ngadagangkeun es di lapangan. Harita teh keur usumna maen mengbal di lapangan deukeut imah, kabeneran diayakeun turnamen kampung kitu. Tah sabab urang mah teu bisa mengbal, jadi urang inisiatif kumaha carana meh nongton mengbal tapi meunang duit oge. Tah kabeneran harita aya uwa anu jualan es, anu tungtungna teh jualan es na ku urang didagangkeunna. Jadi uwa urang mah fokus kana produksina. Panas-panas urang ngagigiwing termos es ka lapangan, bari diuk dina galengan urang ngajorowok \"es es lima ratusan\". Nu meuli biasana nyalampeurkeun urang, tapi sakapeung mah urang oge nu nyampeurkeun nu rek meuli. Es nu ku urang bawa rupa-rupa warnana, aya beureum rasa stroberi, hejo rasa alpuket, koneng rasa jeruk, jeung nu sejenna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4579", "text": "Handphone atawa ponsel anu canggih ayeuna gampang pisan di teangan jeung hargana oge anu relatif murah murah nya sasuai jeung kabutuhan. Harga handphone atawa ponsel ayeuna anu canggih bisa di jual di harga ratusan rebu nepi ka puluhan juta oge aja. Piliheun handphone ponsel oge loba pisan, aya loba merek merek anu ngajual handphone atawa ponsel harga murah tinggal kumaha urang pinter pinterna milih ponsel handphone mana anu bisa di beli. Handphone ponsel android jadi pilihan loba masarakat kusabab leuwih murah hargana jeung leuwih gampamg di pakena jeung oge kasadia ku loba merek merek anu terkenal saperti samsung oppo jeung nu laina. Meski murah kualitas hanphone tetep alus, android oge terus berkembang supaya jadi leuwih canggih deui. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2265", "text": "Terus kumaha carana sangkan Nabi Muhammad SAW jadi panutan anu hadé pikeun urang? Panulis ngadistribusikaeun bahan wawacan dina hiji rakitan anu sakurang-kurangna aya sabaraha cara pikeun niru manéhna. Kahiji, loba maca Sholawat Nabi. Sabda Rosululloh: “Inna awlannasi bi yaumal qiyamati aksaruhum lil sholat”, anu hartosna: “Satemenna jalma-jalma anu deukeut ka Kami dina poe kiamat nyaeta jalma-jalma anu loba maca sholawat”. Baraya, pahala maca shalawat teh gede pisan. Sabda Rosululloh SAW: \"Man Sholla 'alayya marrotan waakhidatan shollalllahu alaihi biha 'asyaro marrootin\", anu hartosna: \"Sing saha anu maca shalawat ka Kami (Muhammad) sakali, Allah bakal ngaganjar manehna ku maca kidul ka eta jalma 10 kali\". (Riwayat Imam Muslim ti Abdullah bin 'Amr bin Ash r.a.) Malah Alloh SWT. jeung Malaikat Alloh ngado’a ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW: “Innalloha wa malaaa`ikatahuu yusholluuna ‘alan-nabiy, yaaa ayyuhallaziina aamanuu sholluu ‘alaihi wa sallimuu tasliimaa”, anu hartosna: “Saéstuna Alloh jeung para malaikat-Na ngado’a ka Nabi. Wahai jalma-jalma anu iman! Sholawat ka Kangjeng Nabi sareng salam hormat ka anjeunna kalayan pinuh kahormatan. (QS. Al Ahzab: 56)\n", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6510", "text": "Dina rangka nyiapkeun diri jang ngahadapi bencana alam teh, kudu pisan disiapkeun masing asak sagalana. Mun imah sisi gawir, mun usum hujan kudu pisan siaga sabab sawaktu-waktu bisi longsor, mun sare tong tibra teuing, jeung kudu peka kana kondisi taneuh di sakitaran imah. Mun aya angin gede ge kidu waspada bisi aya tatangkalan nu rubuh heg ninggang ka imah. Mantakna, mun hujan atawa angin gede teh kedah siaga mawa barang berharga jeung penting supaya rek kaluar ka tempat aman teh sagala barang nu penting bisa kabawa. Siapkeun oge perbekalan dina ngahadapi potensi bencana alam, misalna nyimpen cadangan pakean, dahareun, jeung obat-obatan pribadi sabab bisi datang bencana jadi tinggal ngamankeun diri jeung bawaan darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5465", "text": "Kamari abdi ngahaja ameng ka imah babaturan nu aya di daera Cianjur kidul. Abdi ameng nyalira make motor sabab ngan sajam ti imah. Abdi mawa oleh-oleh sebla instan jang babaturan abdi. Di imah babaturan, abdi ngahaja hoyong botram bari ngobrol di sisi sawah, sabab di imah abdi mah tos jauh ti sawah. Beres botram, abdi tuluy uih deui we ka bumi. Di jalan, abdi nyimpang heula ka pasar Bomero jang meser asinan Cianjur. Abdi meser asinan sabab rasana enak pisan, cocok jeung oleh-oleh kangge mamah di bumi. Asinan Cianjur teh hese dipanggihan di tempat sejen. Komo mun neangan asinan sayuran mah, bakal hese pisan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5039", "text": "Pangalengan mangrupakeun hiji daerah di Bandung raya nu jadi primadona lantaran kaendahan alamna. Pangalengan jadi kabanggaan dina aspek wisata kebon teh jeung cuaca tiisna. Salah sahiji wisata di Pangalengan nu nuju rame di media sosial nyaeta Pineus Tilu. Di tempat ieu aya wahana arung jeram jeung camping di sisi solokan. Mun biasana camping teh sok di lahan nu luas, nah di tempat ieu mah justru camping di sisi solokan tapi suasana tenda na mewah. Ieu nu jadi daya tarik ti ieu tempat wisata. Suasana na tiis jeung dikurilingan ku tangkal pineus nu garede. Wahana arung jeram na oge jadi inceran para pengunjung sabab solokan na di tengah kebon pineus jadi sapanjang rute bisa nikmati pamandangan endah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5080", "text": "Tilu tempat wisata nu cocok jang liburan kulawarga. Kahiji nyaeta Orchid Forest Cikole. Wisata ieu cocok pisan jang wisata kulawarga, sabab nyajikeun kaendahan kebon pinus nu dihandapna lega hamparan ratus-ratus spesies bunga anggrek. Didieu oge aya wahana outbond nu pasti dipikaresep pisan ku barudak. Nu kadua nyaeta wisata Rumah Guguk. Lokasina nyaeta masih daerah Sukasari, Bandung. Rumah Guguk nyaeta tempat nu didesain khusus jeung ngingu anjing tina rupa-rupa ras. Didieu barudak bisa popotoan jeung anjing atawa kur ulin-ulinan hungkul. Nu terakhir nyaeta Barusen Hills Ciwidey. Lokasina nyaeta di daerah Ciwidey. Di tempat ieu aya fasilitas kolam renang lengkap jeung waterboom oge poporosotan, nu dikurilingan ku pamandangan endah. Cocok pisan jang liburan sakulawarga.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8642", "text": "Urang kedah nyetel dana darurat sabab kahirupan henteu salawasna saluyu sareng rencana. Aya rupa-rupa kajadian nu teu disangka-sangka nu bisa mangaruhan kastabilan kauangan urang, saperti leungitna pagawean, gering nu merlukeun waragad medis gede, atawa karuksakan harta banda nu merlukeun perbaikan nu mahal. Upami urang teu gaduh dana darurat, urang tiasa sesah nyumponan kabutuhan sapopoe atanapi ngabiayaan kabutuhan anu mendesak. Dana darurat janten panyalindungan kauangan anu tiasa ngabantosan urang nungkulan kaayaan kauangan anu teu kaduga. Ku cara nyetel dana darurat, urang bisa ngurangan resiko bangkrut, pembayaran nyangsang, atawa leungitna harta. Salaku tambahan, dana darurat tiasa nyayogikeun rasa tenang sareng kaamanan kauangan anu langkung luhur sabab urang gaduh cadangan artos atanapi tabungan anu tiasa dianggo nalika diperyogikeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9475", "text": "Liburan mangrupikeun salah sahiji kagiatan anu kedah urang nikmati nalika hirupna. Pikeun urang ngarasa sugema di waktu liburan supados janten pangalaman anu teu tiasa hilap, mimiti urang kedah milih tujuan anu cocok sareng kahoyong urang. Pastikeun yen tujuan liburan urang ngagaduhan kagiatan anu dipikahoyong sareng cocok sareng anggaran anu urang rencanakeun. Tong mikiran teuing naon anu dipikirkeun ku batur, pilih tujuan numutkeun kahayang sorangan. Kadua, pastikeun pikeun nyiapkeun sagala kaperluan samemeh angkat liburan. Jieun daptar barang anu kedah dibawa sareng pastikeun urang teu hilap nyandak barang-barang penting sapertos paspor upami liburan ka luar negeri atanapi dokumen anu diperyogikeun. Pastikeun pikeun urang tos mesen hotel atawa pamondokan sejen samemehna, jadi urang manggihan masalah mgeunaan tempat pikeun netep salila liburan. Katilu, tong hilap nyandak poto atanapi pidio salila liburan. Ieu bakal jadi memori anu moal bisa dipohokeun pikeun urang dina mangsa nu bakal datang. Nanging, tong fokus teuing kana nyandak poto atanapi pideo anu balukarna liburan urang teu bisa dinikmati.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1179", "text": "Pencatatan teh hal nu perlu mun keur ngalakukeun hiji usaha, ngameh urang apal duit asup jeung duit kaluar. Jadi unggal poe ku urang dituliskeun saha wae anu meuli, atawa sabaraha jumlah meulina. Kaasup dituliskeun nomorna. Mun geus dituliskeun jadina ngeunah pas tutup buku nyaeta pas peuting, tinggal ku urang di cek hiji-hiji tuluy dijumlahkeun hasil penjualan jeung pendapatan aya sabarahana. Mun geus nyieun catetan harian tinggal urang nyieun catetan mingguan. Catetan mingguan ieu penting oge, soalna urang balanja atawa meuli saldo pulsa tiap minggu. Mun geus catetan tiap minggu dijieun, urang oge sok nyieun catetan bulanan. Nyieun catetan ieu salah sahiji cara urang meh bisa ngontrol ngameh teu rugi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4278", "text": "Lamun jepang boga masakan lauk atah anu di sebut sashimi, indonesia oge aya dahareun khas batak anu bisa di sebut sashimina indonesia nyaeta Naniura. Naniura mangrupa salah sahiji kuliner has Batak. Lauk atah seger mangrupa salah sahiji komponén tradisional naniura. Daging lauk seger diolesan ku bungbu jeung unte jungga (asam bata) ditambah Andaliman, jeruk, cabe beureum, bawang beureum, bawang bodas, kemiri, ketumbar, kacang, kunyit, kembang ketumbar (batang kecombrang) anu ditumbuk halus heula. Cabe beureum, bawang beureum, bawang bodas, kemiri, ketumbar kudu saok atawa dipanggang. Digongsengnya leuwih panas sedeng. Unggal bahan asak sacara misah supados kualitasna alus. Jadina bahan-bahan anu dipanggang méré rasa anu ngeunah, katingalina koneng semu coklat. Rasa naniura ngeunah jeung seger jeung kaay rempah, eta nu ngajadikeun naniura loba di pikaresep ku batur. Jadi teu kudu urang ngadahar sashimi lamun hayang ngadahar lauk atah, indonesia ge aya jadi urang kudu populerkeun kadareun tradisional urang sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8136", "text": "Ribet mamake earphone atanapi headset unggal rek ngadangekeun lagu? Waktosna gentos make TWS. TWS atanapi True Wireless Stereo teh alat nu tiasa dianggo pikeun ngadangukeun sora nu asalna ti hp, laptop, jeung sajabana. Penggunaan TWS teh ayeuna keur naek-naekna kusabab kagampilanna. TWS ngagampilkeun mobilitas upami keur dianggo kusabab teu peryogi seueur ruang pemakaian. Teu siga earphone atanapi headset nu berkabel ngaribetkeun arurang upami keur gerak. Pemakaian TWS ngan saukur diceuli hungkul. Konektivitas ka device sejen ge gampil ngan nganggo koneksi bluethoot nyalira. Upami meuli TWS diayogikeun oge kotak tempat nenden ieu alat. Salian fungsina paragi tempat nenden, kotak ieu oge berfungsi kanggo ngisi daya TWS-na.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5432", "text": "Rumah adat Kalimantan Barat atawa rumah Panjang, jadi salah sahiji rumah adat nu terancam punah. Di daerah asalna sorangan ge tos mulai jarang ditemui ieu rumah adat teh. Salian tina segi bentuk imahna nu gede jeung panjang, oge tina kasadiaan bahan baku nu tos kurang memadai. Seueur kagantikeun ku bahan baku modern nu dinilai leuwih ekonomis. Tuluy oge seueur anggota sukuna nu ngaranta ka luar pulau, janten teu aya nu ngahuni imah nu sakitu legana. Hal ieu jadi salah sahiji perhatian khususna kangge masyakat Indonesia dina hal ngalestarikeun budaya. Alangkah leuwih saena mun urang ngalestarikeun ieu rumah adat, misalna dijieun tempat wisata rumah adat panjang nu bakal narik turis jeung wisatawan lokal supaya kunjungan kadieu. Ku kituna, peran pamarentah jeung pamuda teh dibutuhkeun pisan dina prosesna. Yuk urang salaku pamuda kudu daek kontribusi jang kalestarian rumah panjang!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7172", "text": "Salian ti dahareun na anu seeur dijadikeun oleh-oleh, Bandung oge nyadiakeun souvenir anu tiasa dijadikeun oleh-oleh sapertos suling, kendang, iket, jeung wayang. Aya hiji karakter wayang golek Sunda anu kasohor pisan, nyaeta Si Cepot. Oleh-oleh ieu kaasup kaulinan tradisional, urang tiasa ngenalkeun budaya pawayangan jeung ngenalkeun karakter-karakter wayang golek Sunda. Cepot gaduh kulit anu bereum, aya dua huntu jeung cameuh. Dina lengeunna aya awi sangkan urang tiasa ngagerakeun manehna. Si Cepot oge ngangge acuk pangsi warna hideung, make sarung, jeung make iket dina hulu. Aya oge golok anu sok dibabawa kamamana ku manehna. Kaulinan ieu alus kanggo diajar budaya jeung basa Sunda jang barudak leutik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6758", "text": "Mobil wisata nyaeta jenis kendaraan anu dirarancang khusus pikeun ngangkut wisatawan ti hiji tempat ka tempat anu sanes. Mobil ieu biasana gaduh kapasitas panumpang anu langkung ageung tibatan mobil pribadi, sareng dilengkepan oge ku fitur kanyamanan sapertos AC, tipi sareng radio. Mobil ieu oge biasana dilengkepan ku bagasi anu badag pikeun nampung barang-barang para wisatawan anu biasana seeur. Mobil pikeun wisata oge biasana dilengkepan sistem navigasi anu ngamudahkeun wisatawan pikeun mendakan tempat anu dituju. Sajaba ti eta, mobil ieu oge dilengkepan korsi anu nyaman jeung bantal. Upami bade nyewa mobil kanggo jalan-jalan di tempat batur urang kedah nyiapkeun SIM sareng kedah patuh kana aturan di jalanan supados teu beunang masalah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4503", "text": "Aya sababraha kagunaan atawa fungsi matras yoga dina olahraga yoga nyaeta ngurangan résiko tatu, kayaning tatu balik sarta slips, sabab anti dieunakeun sarta nyerep kesang ,ngabantosan ningkatkeun pose yoga, khususna upami anjeun ngalakukeunana tanpa instruktur latihan. Ngagunakeun mat yoga ngidinan Anjeun pikeun manteng otot anjeun dina wates nu tangtu tur ngawangun kakuatan anjeun lalaunan, Tetep kasaimbangan awak anjeun leuwih lila, Méré Anjeun spasi bersih dimana wae anjeun ngajaga anjeun haneut salami latihan, ningkatkeun kaséhatan fisik sareng méntal anjeun sadayana, kalebet ngirangan kacapean otot sareng nyeri, ningkatkeun kaséhatan ligamén sareng sendi anjeun, sareng ningkatkeun mobilitas anjeun. Jieun yoga gampang ngalakukeun, utamana pikeun pamula dina olahraga yoga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4644", "text": "Di jaman kiwari, teknologi terus mekar nepi ka beuki canggih. Ieu pasti bakal bisa mantuan jeung ngagampangkeun manusa pikeun ngalaksanakeun kagiatan sapopoé. Kumaha henteuna, kecanggihan teknologi jaman ayeuna pasti ngagampangkeun, instan, praktis jeung pastina gancang. Salah sahiji kecanggihan téknologi anu ngagampangkeun pagawéan manusa nyaéta robot asisten rumah tangga. Ayeuna anjeun henteu ngan ukur tiasa ningali robot anu ngabantosan padamelan manusa dina layar televisi, tapi anjeun tiasa nikmati langsung di dunya nyata. Robot asistén bumi ieu nyarupaan manusa anu nganggo intelijen buatan anu bisa ngagampangkeun jeung ngerjakeun sadaya padamelan di bumi. Robot jenis ieu tiasa ngalakukeun beberesih pikeun mastikeun kaamanan di bumi.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3556", "text": "Kapungkur, urang ngagaduhan tatangga anu caket bumi dimana ampir sadaya anggota ngagaduhan kalakuan anu ngaganggu sareng panginten sadayana anu sosialisasi sareng aranjeunna kantos mumusuhan, kalebet kuring. kulawarga ieu boga 8 duduluran, salah sahijina mangrupakeun bookie lotre. 3 anggota wanoja anu paling keuheul unggal poe nongkrong di hareupeun imahna, mun urang ngaliwat mah bari teu ngucap “punten” bakal ambek. Kulawarga ieu lapar hormat, mun aya hajatan kudu diondang, mun aya pembagian sedekah atawa sembako kudu dibagi kabeh (sanes 1 kulawarga 1 sembako tapi 8 set sembako pikeun 1 kulawarga). Kulawarga ieu jadi unik, urang nelepon ngaran landihan aranjeunna nyaeta \"kulawarga cendana\".", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8103", "text": "Cara nu pang ampuhna pikeun nyalsekeun masalah hp nu lemot, ngefreeze, sareng kaserang virus teh nyaeta direset pabrik. Reset pabrik hartina malikeun kaayaan hp sapertos bawaan pabrik, janten siga anyar meuli. Ngareset pabrik hp teh aya carana. Mimiti, urang buka pengaturan di hp teras pilih manajemen umum, klik factory data reset. Antosan babaraha waktos engkin muncul tampilan layar android recovery. Upami tos kitu kadua nyaeta, pencet tombol volume turun nika opsi factory reset. Pencet tombol power, dina layar peringatan pencet tombol volume turun nika nepi ka opsi Yes. Pencet tombol power, antosan babaraha waktos, layar andorid recovery tiasa muncul deui sareng opsi reboot. Pilih reboot system, pencet tombol power. Hp atos direset pabrik.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9347", "text": "Ngarencanakeun kagiatan sareng réréncangan henteu kedah ulin nyaan. Anjeun ogé tiasa ngajak réréncangan pikeun nongkrong sareng ngobrol di sela-sela kagiatan sapopoé. Komo deui, nalika dewasa, anjeun bakal mendakan sakedik waktos kanggo nongkrong sareng aranjeunna. Upami anjeun ngarasa sepi, cobian ngahubungi réréncangan anjeun sareng nyarankeun nyéépkeun waktos anu berkualitas, sabab saha anu terang yén aranjeunna ogé ngalamun sareng peryogi dukungan anjeun. Silih aprésiasi ogé penting dina silaturahmi. Apresiasi anu cukup tiasa ngajantenkeun sobat anjeun dihargaan, anjeun henteu kedah masihan hadiah anu mahal, cukup ngucapkeun salamet atanapi ngan ukur aya pikeun aranjeunna nalika aranjeunna peryogi anjeun. Studi némbongkeun yén ngahargaan batur bakal boga dampak dina kinerja, sarta bakal boga pangaruh positif kana usaha. Kitu deui jeung silaturahmi, upama hayang dihargaan ku batur, sae pikeun ngamimitian ti diri sorangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1935", "text": "Poé éta, kuring jeung si kembar umur 10 taun bungah ngadagoan angkot datang hareupeun imah nini kabeneran imah nini aya di sisi jalan gedé. Biasana mun di imah nini, dina jadwal angkot, kakara ngaliwat, urang ngan ukur bisa pamit (ngacungkeun leungeun). Eh ayeuna mah rek naek beus gede hehehee. Betapa bungahna haté kuring waktu éta. Nepi ka soré masih sumanget, kuring masih inget, urang nyanyi ngagorowok siga pramuka, tapi cenah: \"Asik ka Lembang.. Asik ka Lembang.. Asik ka Lembang\". Tong ngabayangkeun ieu liburan méwah. Jauh tina méwah. Kulantaran baheula kaditu jeung rai teh han ulin ka kostan raka, ka ditu bari naek angkot tempat ker bapana gawe jadi kernet. Loba pisan pamandangan gunung jeung kebon setoberi jeung teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5458", "text": "Saha nu teu wawuh ka senjata asal Kalimantan nu ngaran na mandau. Senjata ieu terkenal salian ku kaendahan estetika lukisan senina, oge ku kakuatan magisna. Kakuatan magis dina mandau dinilai kentel jeung kuat pisan. Malahan ieu senjata gaduh kamampuan jang hiber moro tagetna, tuluy dikenal ku istilah mandau terbang. Mandau terbang ieu teh jadi salah sahiji daya tarik suku Dayak Kalimantan dina hal magis, sabab mandau terbang teh ngan bisa dilaksanakeun ku suku Dayak. Tuluy rambut nu aya dina ujung gagang mandau teh nyaeta rambut nu kepalana pernah ditebas ku mandau eta tuluy rohna titah nyatu jeung mandau nu dipercaya bisa nunjukeun kakuatan magis tina mandauna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5102", "text": "Salah sahiji film anu patut diturutan jadi inspirasi kahirupan nyaeta Surga yang Tak Dirindukan. Film ieu nyaritakeun tentang poligami dilaukeun ku teu kahaja. Pesan moral nu bisa diturutan nyaeta sikap sabar ngahadapi ujian. Sapertos naon nu diajarkeun ku agama, bahwa cobaan teh datangna iraha wae jeung kumaha wae carana. Ku kituna, urang kudu ngalatih kasabaran jang ngahadapina. Tah dina film ieu teh perihal kasabaran nu ditonjolkeunana. Ieu film teh jadi piobrleun haneut dina sosial media, loba nu nyorot kana masalah poligamina. Tapi sabenerna dibalik eta aya hal nu rek disampaikeun, nyaeta soal rasa sabar jeung narimakeun kaayaan. Penasaran kmha film ieu bisa nyorot hal sabar? yuk ah tonton heula filmna dugi ka rengse.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5741", "text": "Tilu hal nu pasti bakal dimeunangkeun ku para atlet mun berhasil meraih juara dina pertandinganna. Nu kahiji nyaeta bakal meunang medali, biasana kabeh pertandingan pasti nyadiakeun medali jang pemenangna. Nu kadua nuaeta pasti meunang sertifikat atawa piagam nu jadi bukti yen anjeunna pernah meunang di kajuaraan tersebut. Nu katilu nyaeta apresiasi, biasana rupa-rupa, aya nu apresiasina bentuk uang, aya nu bentukna barang, fasilitas, jeung sajabana. Tah ieu teh jadi salah sahiji hal nu paling dinanti para atlet mun ngahadapi pertandingan teh. Salian prestasi, oge bakal meunang hasil apresiasi nu berguna pisan jang kahirupannana, utamana dina nunjang karirna dina dunia olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6101", "text": "Muka usaha teh jadi salah sahiji tujuan nu loba dilakukeun ku generasi zaman ayeuna. Muka usaha na teh dilakukeun sasuai jeung kabutuhan pasar, misalna camilan nu keur hype dina sosial media, jeung sajabana. Biasana sok maruka usaha jiga angkringan, nu make modal leutik tapi penghasilanna salangit. Loba jalma milih muka usaha teh sabab pendapatan na bisa ngacover kabutuhan. Malahan mah pendapatan na teh kadang sok ngaleuwihan upah minimum. Tah hal ieu jadi salah sahiji pertimbangan lobana nu muka usaha teh. Jadi, dari pada damel di tempat nu teu nyaman jeung pendapatanna kurang, mendingan muka usaha. Yuk mulai cobian muka usaha saderhana!", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2388", "text": "Tape ketan Jajan kuliner khas Cirebon anu teu kedah dilewatkeun nyaéta Tape Ketan. Ieu kadaharan téh hasil ferméntasi ketan nu dibungkus ku daun cau. Sangkan leuwih nikmat, biasana tape ketan didahar ku kiripik. Kadaharan ieu gampang dipanggihan di pasar tradisional Cirebon. Kurupuk domba Cirebon memang kasohor ku rupa-rupa jajanan kurupuk, salah sahijina kurupuk lambak. Jajanan ieu, anu sok disebut kurupuk kulit, biasana dilayanan salaku lauk nalika ngaraosan tuangeun anu berkuah. Kusabab popularitasnya di Cirebon, kurupuk ieu gampang pisan dipendakan sareng sayogi di sababaraha réstoran Empal Gentong gaya Cirebon. Sirop Tjampolay Sirop Tjampolay mangrupa oleh-oleh khas Cirebon anu wajib dibawa ka imah sanggeus mudik ka ditu. Cenah, inuman amis ieu ngagunakeun resep turun-tumurun anu geus aya ti taun 1964. Aya loba pilihan rasa, ti Sirop Tjampolay rasa cau susu, strawberry, kopyor, mangga gedong, melon, nepi ka leci.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4931", "text": "Salah sahiji conto tuangeun sarapan anu jadi andalan nyaeta sandwich atawa katelah oge roti isi. Cara ngadamelna teu kedah riweuh, cekap ku bahan sapertos roti, mantega, endog, tomat, salada bokor, saos tomat jeung saos cabe. Saacanna, endog digoreng teras di orak-oarik dina katel. Teras keureutan tomat ngabentuk buleud. Saatos kitu, siapkeun roti na piring, baluran ku mantega sing rata. Tuluy simpen ora arik endog na luhureun roti, tambahkeun salada bokor, jeung tomat. Saatos ditumpuk eusina, kucuran make saos cabe jeung saos tomat. Teras tutup deui sadayana ku roti nu dibaluran mantega. Beulah roti jeung eusianna jadi dua bentuk segitilu. Roti isi atanapi sandwich siap kangge dituang atanapi dibekel ka sakola. Kur kitu hungkul cara ngadamelna, teu kedah ngangge minyak jeung nu sajabana. Rasana nikmat komo mun disayogikeun na sareng susu murni.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2428", "text": "Empal Gentong mangrupa kadaharan has masarakat Cirebon Jawa Barat. Kadaharan ieu sarimbag jeung kari (gule) jeung asak maké kayu bakar (tangkal manggu) dina tong (pot taneuh liat). Daging anu dipaké nyaéta peujit, babat jeung daging sapi. Empal Gentong asalna ti Kabupaten Cirebon. Sajaba ti ngagunakeun kayu bakar jeung tong, kadaharan ieu dilayanan ngagunakeun chives (Allium tuberosum) jeung sambel cabe dina bentuk cabe garing taneuh. Empal Gentong tiasa disarengan ku sangu atanapi lontong. Lontong numutkeun urang Cirebon mah ngan saukur sangu anu bentukna silinder daun cau, teu aya deui anu dicampurkeun, teras kulub salami 4 jam. sokanan memang empal gentong gurih tuh lemes ker diasaan jeung mangrupakeun kadahanan khas ti Cirebon.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5355", "text": "Basa jumaahan kamari, Jovi ngaregepkeun khotbah kalayan khusyu sabab materina nyaeta tentang muhasabah diri di akhir taun. Jadi, menjelang penghujung jeung pergantian taun teh urang ulah nepi ka kabawa ku euforia nu teu paruguh, tapi kedah leuwih ngadeketkeun diri jeung Allah SWT. Taun nu tos kaliwat kudu jadi bahan evaluasi jang diri sorangan. Perbaiki hal-hal nu acan maksimal hadena. Tuluy muhasabah diri oge penting pisan dina ngabangun diri urang kahareupna nu leuwih hade.Jovi ngaregepkeun pisan khotbahna dugi ka beres, sabab penting pisan jang bekel kahirupannana kahareup. Beres ngadangukeun khotbah, Jovi nyimpen apik-apik eta nasehat teh supaya bisa diamalkeun kalayan maksimal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "866", "text": "Terjun payung bisa disebut mangrupakeun aktivitas olahraga nu dipikaresep ku orang-orang tertentu. Teu ngan soal biaya, tapi oge kasiapan mental saacan luncat kaluar ti pesawat ka daratan. Aya sababaraha cara jang terjun payung. Nu kahiji nguliat atawa peregangan, hal ieu tujuanna jang ngabentuk otot lentur. Ku ngalakukeun peregangan bakal mantuan awak ngameh karasa teu tegang pas keur ngaluncat. Nu kadua latihan pernapasan, terjun payung bakal mangaruhan pernapasan lamun nu ngaluncat salah posisi. Tapina bisa diatasi ku cara mosisikeun hulu jang nyokot napas pondok tutuluyan. Nu terakhir kudu cukup sare, sabab mun kurang sare bakal nurunkeun fokus. Terjun payung olahraga nu kudu mibogaan konsentrasi anu pinuh jeung fokus.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8000", "text": "Aya hiji restoran nu kagolong anyar di Kabupaten Sukabumi. Lokasi tempat ieu resto aya di jalan Cibolang no.397. Resto ieu ngagaduhan tempat anu lega sareng raresik, nyaman pisan upami dianggo nongkrong-nongkrong. Nanging teu direkomendasikeun kur nongkrong sareng kulawargi kusabab ngan disadiakeun meja-meja leutik nu misah tur pajauh. Disayogikeun tempat indoor sareng outdoor, suasana di resto ieu lumayan tiis kusabab dina interior cafena ditambihan tatangkalan leutik sareng pepelakan hias. Kusabab lokasina nu digigireun jalan gede, sora tina mobil sareng motor di jalan kadangu ka jero resto jadi kirang nyaman upami keur ngobrol. Pangaos menu rada awis upami dibandingkeun sareng resto-resto nu sejen.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8003", "text": "Salah sahiji restoran sangu goreng nu ngeunah tur merenah di Bogor nyaeta Nasi Goreng Yasmin. Restoran ieu nyayogikeun sagala rupi sangu goreng nu pangaosna rupi-rupi. Pangaos mimiti mulai ti Rp10.000 nika keun Rp30.000, cocog pisan upami ahir bulan teu gaduh acis loba. Sanaos kagolong mirah, rasa patuangeunna teu heureuy ngenah pisan. Salian ti sangu goreng restoran ieu oge nyayogikeun menu sejen siga capcay, kwetiaw, mie, jeung sajabana. Tempatna ge resik janten merenah lila-lila di restoran ieu, Tempatna lega cocog jeung kumpul-kumpul sareng kulawargi atawa rerencangan, disayogikeun oge tempat parkir nu lumayan lega kanggo parkir motor atawa mobil. Pokokna upami ka Bogor kudu nyobian ka restoran ieu. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "876", "text": "Olahraga ngojay teh salah sahiji olahraga nu seru. Rek teu seru kumaha lantaran maen cai. Komo keur budak leutik mah maen cai teh hiji hal anu dipikaresep, ditambah deui mun ngojayna jeung babaturan pasti leuwih rame. Tapi di kampung mah ku sabab jarang aya tempat ngojay khusus, jadi biasana ngojay di kulah atawa walungan. Urang jeung Arif geus ngarencanakeun rek ngojay di kulah sabalik sakola, tuluy urang jangjian di tempat kulahna bari mawa baju ganti. Arurang ngojay siga biasana sabari ngaluncat ti luhur kana cai kulah. Tuluy bari ngojay teh hareureuy paudag-udag kitu, ku sabab si Arif buru-buru atuh kajedot kana sisi kolam, anu sisi kolamna teh aya beusi anu mencos. Tarangna nepikeun ka getihan lumayan loba, geus kitu mah ku urang dianteur nepi imahna meh geura-geura diubaran.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "430", "text": "Hiji poe Imam Ahmed bin Hanbal, hiji ulama Islam nu kasohor jeung hiji teolog nu kondang, keur indit-inditan jeung sindang ka hiji kota jang sholat. Saberes sholat, anjeunna mutuskeun rek sare di teras masigit sabab teu wanoh ka sasaha di kota eta teh. Tapina aya hiji penjaga masigit nu teu wanoh ka manehanana tuluy ngaulahkeun cicing di masigit jeung ngagusur Imam Ahmed jang kaluar ti masigit. Ninggali eta aya tukang roti anu ngarasa karunya ka Imam Ahmed tuluy nawaran jang cicing di imahna. Imam Ahmed merhatikeun si tukang roti teh maca tuluy istigfar. Tuluy nanya naha bet ngucapkeun istigfar tutuluyan. Tukang roti ngajawab lamun Allah geus ngabulkeun doana sabab bisa panggih jeung ulama nu kasohor nyaeta Imam Ahmed bin Hanbal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6666", "text": "Aya olahan camilan anu ngadamel na ti sampeu anu dijadikeun dahareun anu amis, nyaeta getuk. Pas pertama kali nyobia getuk abdi kirang resep rasa jeung teksturna, rada benyek jeung rasana teu amis tapi oge teu asin. Asalna abdi maksakeun ngaemam getuk, tapi abdi teu tiasa nyeepkeun sadayana lantaran hariwang bisi diutahkeun deui. Getuk dijieun ti sampeu anu diseupan teras dicampur gula bereum jeung kalapa parud. Teksturna lembut tapi masih karasa serat-seratna. Rasa getuk emang rada hambar, jadi urang bakal leuwif fokus ka tekstur dibandingkeun rasana. Sangkilang tos make gula bereum, rasa getuk teu tiasa disebut amis, jeung sangkilang tos make kalapa parud, rasa getuk teu tiasa oge disebut asin.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "46", "text": "Boba salah sahiji anu sok dipake di minuman-minuman oge dina eskrim. Cara nyieun boba, kahiji 10 sendok makan aci sampeu. Sabungkus nutrijel, aduk rata. 120 mili cai panas (eurihkeun saeutik-saeutik), tuluy jieun heula adonanna sina panjang. Geus kitu potong-potong sasuai ukuran nu dipikahayang, adonanna ditutup ku mangkok, ngameh teu garing. Taburkeun adonan ku aci sampeu, ngameh teu napel hiji jeung nu lainna. Saring aci na ngarah pas ngagodogna teu loba aci. ngagodogna ku cai nu loba. godog boba 30 menit, ngameh boba hipu jeung ngembang. Angkat heula boba, tuluy tambahkeun gula beureum jeung cai. Eurihkeun deui boba, masak nepi ka kentel. Boba bakal ngenyoy jeung lemes.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5778", "text": "Salah sahiji olahraga nu dianggap paling ekstrem ku sabagean masyarakat nyaeta terjun payung. Di mata masyarakat, olahraga terjun payung teh biasana sok dilakukein ku tentara hungkul, jarang pisan aya warga sipil salain atlet, nu nyobian ieu olahraga. Sabab, salian butuh nyali nu gede, oge butuh kasehatan nu memadai jeung bekel acis nu memadai oge. Biasana samemeh ngalakukeun terjun payung, kedah ngiringan heula pelatihan nu dilaksanakeun rata-rata tilu bulan. Tah salila pelatihan ieu teh bakal dibere pengarahan jeung materi ngeunaan terjun payung, oge bakal diajar langsung dina hiji alat nu didesain khusus paranti latihan terjun payung. Tah, mun teori jeung pematerian sagalana tos beres, nembe we tiasa kangge ngalakukeun terjun payung nyaanan tina helikopter. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "994", "text": "Geus jelas mun konsep ponsel pinter nu bisa ditilep teh bakal mibogaan fleksibilitas nu leuwih. Ukuranna leuwih leutik jeung kompat pas dina bentuk nilep tapi jadi leuwih lega pas dibuka jang rupa-rupa kabutuhan. Fleksibilitas nu ditawarkeun oge aya implikasi kana peningkatan kamampuan ponsel jang rupa-rupa kagiatan. Komo deui dina sababaraha kasus, ponsel nu bisa ditilep teh ngamungkinkeun urang nyieun konten video teu kudu make holder tambahan. Kaleuwihan sejenna teh nyaeta pengaturan dina kamerana. ponsel nu bisa ditilep ngamungkinkeun urang jang nyokot gambar hareup ngagunakeun kamera tukang atawa kamera utamana. Pas nyobaan nongton video streaming dina ponsel nu bisa ditilep ngeunaheun, jadi si layarna lega.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7139", "text": "Lagu Angin Mamiri nyaéta salah sahiji lagu tradisional anu asalna ti suku Bugis di Makassar, Sulawesi Selatan. Dicutat tina jurnal anu judulna Desain Média Pengantar Filsafat Lagu Anging Mammiri, Liony Amelia Maramis, dkk, lagu Angin Mamiri dikarang ku Borra Daeng Ngitare kira-kira taun 1940-an. Lagu Angin Mamiri nyaritakeun rasa sono anu kabina-bina ti hiji wanoja ka kakasihna di tempat anu jauh. Hiji poe eta wanoja nangtung di tepi jandela ngalantunkeun sajak-sajak cinta jeung rasa sono, miharep angin bakal nepikeun ieu talatah ka kakasihna. Samemeh sare, eta awewe nepuk-nepuk bantal bari nyebut ngaran kakasihna jeung masih ngarep-ngarep angin bakal nepikeun kahariwangna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7378", "text": "Alan Budikusuma dibabarkeun di Surabaya, Jawa Timur kaping 29 Maret taun 1968. Prestasina dina badminton nyieun Indonesia bangga. Anjeunna meunang seeur pisan pertandingan internasional, sapertos 1989 Dutch Open, Thailand Open 1989 jeung 1991, Cina Open 1991, Jerman Bpen 1992, Invitasi Piala Dunia 1993, Indonesia Open 1993, Malaysia Open 1995, jeung Olimpiade 1992. Alan Budikusuma parantos latihan badminton nalika yuswa tujuh taun. Anjeunna asup ka klub badminton anu disebut Rajawali di Surabaya nalika yuswa dalapan taun. Lantaran rajin latihan, ahirna manehna dianggap jago badminton dina umur ngora. Anjeunna rajin latihan jeung kamotivasi pikeun ngabuktikeun yen manehna teh pamaen badminton anu hebat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "86", "text": "Sayur sop jadi salah sahiji menu masakan nu teu ngan ukur ngeunah tapi oge nyehatkeun. Sayur sop aya dina sababaraha sayuran, cocok dijadikeun menu sarapan atawa makan malam. Cara nyieunna oge babari, kahiji panaskeun panci nu aya eusian cai, asupkeun bawah bodas ka jero panci. Godog nepi ka seungit bawangna. Kadua asupkeun bortol jeung buncis, masak nepi satengah mateng. Katilu tambahkeun sayur kol jeung brokoli, masak kabeh sayur nepi asak. Tambahkeun bawang daun, seledri, tomat jeung bawang goreng aduk rata. Tuluy tambahkeun uyah, kaldu jeung gula sacukupna, tong poho dicobaan oge rasana. Terakhir lamun sayur sop geus asak jeung ngagolak, oge rasana pas, pareuman kompor tuluy tinggal di sajikeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5781", "text": "Lima tempat di Jawa Barat nu terkenal ku wisata raftingna. Nu kahiji nyaeta Wisata Pinus Tilu, Pangalengan. Di wisata alam Pinus Tilu aya aliran sungai nu huluna di situ Cileunca tuluy ngalir ka hilir ngaliwatan tempat wisata. Nu kadua nyaeta Sungai Citarik, Sukabumi. Di sungai ieu loba penyedia jasa arung jeram nu nawarkeun tantangan ekstrem ngarungan sungai Citarik. Nu katilu nyaeta wisata rafting Lembang, Bandung. Didieu disadiakeun wisata arung jeram di sungai leutik nu loba jeramna. Nu kaopat nyaeta Sungai Cipunagara, Subang. Didieu bakal disajikeun kaendahan alam dina kenca katuhu salila pangarungan sungai Cipunagara. Nu terakhir nyaeta Rafting Citumang, Pangandaran. Wisata Citumang jadi wisata wahana rafting nu nyayogikeun kaendahan alam tersembunyi, termasuk green canyon.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "110", "text": "Harita pernah ngayakeun workshop di Guha Pawon anu aya di Gunung Masigit Bandung Barat. Urang jeung dosen ngawakilan ti Unpad gawe bareng jeung FP2KC (Forum Pemuda Peduli Karst Citatah). Guha Pawon ieu salah sahiji tempat wisata nu murah, asupna wae ngan 5 rebu. Tapi jarang aya nu kadieu teh, sabab lokasina nu nyumput. Di Handap deukeut parkiran loba monyet-monyet nu turun, neangan dahareun. Pas asup ka guha na, loba lalay nu ngagarantung. Urang kadinya motoan jang bahan penelitian. Di Guha ieu aya jelema zaman purba, tapi sesa tinggal tulang hungkul, meureun geus mangrebu-rebu taun. Aya sababaraha bagian guha nu hese diliwatan sabab tempat asupna anu sempit, jeung lila-lila mah eungap. Jadi urang teu lila di jero guha na, aya kana 15 menitan balik deui ka tempat mimiti.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6477", "text": "Ayeuna teh mangrupakeun bulan tersulit dina kahirupan Ardila. Pasalna, usahana teh keur ngalaman bangkrut sabab ditipu ku klienna. Jadi, sagala modal jeung tabungan usaha teh raib dibawa ku babaturan jeung klienna. Mantak teu babari pisan jang Ardila ngalewatan hal ieu. Untungna, Ardila geus lila nyiapkeun dana darurat, heg jumlahna ge geus cukup jang kabutuhan sapopoe mah. Mantak, Ardila salila ieu teh ngandalkeun dana daruratna we dina bertahan bari neangan pagawean. Semet can aya pagawean mah wayahna make dana darurat da kabeh modal usahana geus euweuh seep ku batur. Untung we Ardila nyadar ti awal ngeunaan pentingna dana darurat teh kieu tah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6497", "text": "Tilu hal penting anu kudu dibawa mun naek gunung, tapi rata-rata sok kapopohokeun. Nu kahiji nyaeta obat-obatan pribadi. Tah sok loba pisan jalma nu poho kana mawa obat-obatan mun naek gunung teh, padahal hal ieu penting sabab teu apal iraha panyakit datang. Nu kadua nyaeta P3K, biasana sering kapopohokeun komo ku pendaki pemula mah. Padahal hal ieu teh penting pisan jang pertolongan pertama lamun manggih kacilakaan. Nu katilu nyaeta jumlah baju ganti anu teu memadai. Tah mawa baju ganti teh kudu leuwihan hiji, sabab bisi hujan jeung teu garing kalahka jadi panyakit ka diri sorangan. Kudu persiapkeun ieu tilu hal teh sabab penting pisan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1994", "text": "Liburan ka pantai bakal nyayogikeun atmosfir anu béda sareng jero. Ningali ombak ngagulung, cai herang, bentang keusik bodas sareng sora ombak anu ngajadikeun pikiran santai di tengah sibuk padamelan. Numutkeun psikolog Dr. Richard Shuster, warna biru pakait sareng parasaan tenang sareng katengtreman. Neuteup sagara tiasa mangaruhan gelombang otak anjeun sareng nempatkeun anjeun kana kaayaan meditatif anu hampang. Hiji studi diterbitkeun dina Élmu némbongkeun yén bulao ngaronjatkeun kinerja on tugas kognitif, bari beureum ngabalukarkeun dijauhkeun. Ku kituna kuring jeung adina nganjang ka basisir sanggeus bérés balanja, urang balik ka hotél pikeun beberesih sarta istirahat. Kami liburan di Bali tilu dinten. Rupa-rupa pangalaman salila kuring di Bali, utamana di Basisir Kuta. Mugia tiasa nganjang deui ka Bali, khususna ngajajah kaéndahan pantai-pantai anu sanés.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "488", "text": "Idul Fitri lain ngan saukur ngarayakeun rengsena puasa romadhon. Tapi salian ti eta Idul Fitri oge nandakeun pencapaian tingkatan spiritual kaagamaan nu ditandaan ku pengorbanan, disiplin jeung amal. Aya oge tujuan ngarayakeun Idul Fitri nu dilakukeun ku umat Islam, nyaeta bersyukur lantaran dibere kakuatan ku Allah SWT jadi bisa ngalakukeun kontrol diri sorangan salila bulan puasa dina ngahontal tujuan romadhon. Tuluy ngalakukeun amal ka orang-orang miskin jeung nu ngabutuhkeun ngaliwatan zakat fitrah. Nganuhunkeun ka Allah jeung nginget kana kaberkahan Na. Oge menta hampura ka Allah tina dosa jeung kasalahan-kasalahan. Nu terakhir nganuhunkeun ka Allah kana turunna ayat-ayat Al-Quran nu mimiti diungkapkeun pas akhir romadhon.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4549", "text": "Yoga jadi olahraga anu loba di pikaresep ku awewe lolobana. Yoga sabenerna ngarupakeun latihan awak jeung pikiran. Yoga ngagabungkeun latihan engapan, meditasi, sareng pose sareng gerakan anu dirancang pikeun santai sareng ngirangan setrés. Latihan yoga loba mangfaatna salain ti ningkatkeun stamina yoga oge biasa nurunkeun beurat awak, bisa ngajieun awak jadi hampang jeung lentur bisa ngajaga bentuk awak jeung pastina bisa rileks mental na di bangun oge ameh henteu babari stress. Yoga kuduna di atur waktu na ameh leuwih maksimal mangfaatna, misalkeun saminggu dua kali atawa tilu kali atawa lamun hayang alus rutinan yoga unggal poe minimal tilu puluh menit.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4218", "text": "Macakeun dongeng atawa mikawanoh carita rahayat ieu ka budak ti keurleutik keneh oge ngabogaan loba mnagfaat na nyaeta bisa ngarangsang kamerekaran otak budak sangkan bisa mkir logi ti leutik keneh jeung oge bisa ngarojatkeun ingatan budak kusabab dina carita rahayat urang bakal manggihan alur carita jeung penokohan nu rapi jeung bakal diperhatikeun pikeun nuturkeun jalan carita na salian ti eta bisa oge ngarojatkeun kamapuan komunikasi budak biasana lamun urang tutuluyan carita budaj teh sok geus hapal kana jalan carita na tuluy bisa mere keun reaksi misalna di carita lamun keur lucu kumahana atawa sieun kudu kumaha tina mavakeun dongeng oge ngalatih budak sangkan bisa apal kosakata kosakata anyar. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8889", "text": "Abdi gaduh kipas angin lami anu masih dianggo sanajan kaayaanna henteu saé sapertos baheula. Kipas kuring sapertos kipas umumna, nyaéta aya kipas anu ditutupan ku beusi pelindung. Teras aya mesin dinamo tukangeun kipas, aya oge awak kipas panjang sarta panungtungan nyaéta aya suku kipas nu bentukna pasagi. Tapi aya sababaraha bagian kipas nu geus rada ngurangan fungsi, contona lamun dina mode puteran kipas ngan nunjuk ka hiji arah jeung teu muter siga jelema nu beuheungna bengkung kudu digebugan saeutik supaya hayang muter ka katuhu sabalikna. Terus di bagian pelindung mesin dinamo kipasna leungit sabab geus murag, jadi tamengna peupeus teu bisa dipasang deui, tapi salian ti eta untung bagian nu sejen masih fungsi.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7458", "text": "Nyeseuh acuk dina mesin cuci tos janten kagiatan sapopoe urang. Tapi urang kedah apal yen nganggo mesin cuci teh kedah taliti. Lamun asal-asalan bakal ngajieun mesin cuci jadi gancang rusak, padahal mesin cuci kedahna janten barang anu tiasa dipake mangtaun-taun ngarah sasuai jeung hargana. Aya sababaraha barang-barang anu teu meunang asup kana mesin cuci di antarana nyaeta koin, logam atawa duit receh. Koin atawa duit receh mineng pisan tinggaleun dina saku acuk atawa calana, matak penting pikeun mastikeun yen sadaya koin, duit receh, paniti, jarum, jeung barang-barang anu sanes dikaluarkeun ti saku acuk jeung calana sateuacan diasupkeun kana mesin cuci. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9412", "text": "Saha nu teu resep steak? Tangtu, loba pisan jalma resep kadaharan ieu. Sanajan kitu, rasa steak ditangtukeun teu ukur ku kualitas daging, tapi oge cara ngasakanna. Numutkeun kana pendapat kuring, masak steak nganggo margarin bakal langkung nikmat tibatan minyak biasa. Alesanna nyaeta, mimitina, margarin ngagaduhan rasa anu langkung gurih sareng langkung seungit tibatan minyak biasa. Hal ieu ngajadikeun steak leuwih asak sampurna kalawan margarin nu pinuh ku rasa. Salaku tambahan, margarin oge ngagaduhan lemak trans anu tiasa ningkatkeun tekstur steak, ngajantenkeun langkung lembut sareng gampang digayem. Kadua, margarin oge miboga titik lebur anu leuwih luhur batan minyak biasa, jadi teu gampang kaduruk nalika dipanggang. Ieu ngandung harti yen steak nu dipasak make margarin bakal gampang asak merata, hasilna leuwih nikmat. Katilu, margarin oge miboga sipat antioksidan anu leuwih hade batan minyak biasa. Ieu ngabantosan nyegah oksidasi lemak dina steak, ku kituna ngajaga kualitas sareng rasa anu langkung nikmat. Janten, ku ngagunakeun margarin nalika masak steak, urang bakal ngasaan rasa anu langkung sengit, tekstur anu langkung lembut, sareng hasil anu langkung sae tibatan nganggo minyak biasa. Ku lantaran eta, masak steak nganggo margarin leuwih nikmat ti batan ngagunakeun minyak biasa.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "929", "text": "Jaman ayeuna mah mibogaan laptop teh kudu pisan, komo jang budak sakolaan atawa gawena dina hareupeun komputer mah. Karasa ku urang laptop bisa ngerjakeun sagala hal, ti mimiti neangan informasi nu anyar ngeunaan naon wae ge, ngerjakeun desain, siga banner atawa pamflet, ngedit video jeung masih loba deui. Tibatan smartphone, laptop bisa kasebut lengkep jeung efisien dina ngagunakeunna. Sabab laptop geus mibogaan keyboard sorangan, layarna oge leuwih lega, tuluy dilengkepan ku trackpad jang ngagantikeun mouse. Loba aplikasi atawa software anu mantuan ngarengsekeun pagawean leuwih gancang. Salian ti eta, laptop oge bisa jadi sarana diajar. Siga diajar koding tangtuna kudu boga laptop.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5836", "text": "Asus biasana jadi brand pilihan jang para mahasiswa sabab hargana nu terjangkau. Salah sahiji laptop anu loba dibeuli ku mahasiswa nyaeta Asus X441BA. Laptop ieu ngagaduhan layar 14 inchi jeung prosessor intel celeron N3060. RAM na 2 GB jeung penyimpanan internal na 500 GB. Speaker laptop ieu ayana di kenca jeung katuhu keyboard, nu kualitasna tos kaiting sae jeung ngebas pisan sabab geus ngusung Sonicmaster jeung ICEpower, jadi moal bakal ngageber pisan sorana. Laptol ieu ge tos dibekelan intel HD graphics nu bisa nampilkeun layar dengan resolusi pangaalusna, katajaman gambar na oge teu diragukeun deui. Laptop Asus X441BA dibanderol dina harga tilu jutaan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2427", "text": "Kadaharan khas Cirebon tangtuna anu kasohor ngabogaan khasanah kuliner anu pang khasna dibandingkeun jeung wewengkon séjén di Jawa Barat anu identik jeung budaya Priangan. Sabab Cirebon miboga kabudayaan Cerbonan anu asli, salian ti Jawa Barat bagian kulon anu ogé kapangaruhan ku budaya Bantenan jeung Betawi. Nyaeta Sangu Jamblang atawa sega jamblang. Di Jawa Barat mah réa pisan, kayaning nasi timbel, nasi liwet, nasi uduk, nasi tutug oncom, jeung nasi cikur, sakumaha anu geus diulas saméméhna. Waktos ieu aya sangu jamblang ti Cirebon, atanapi tepatna, Kec. Jamblang mangrupa asal muasal kadaharan ieu. Isian tahu, témpé, saté rupa-rupa: kentang, endog puyuh, hurang, dadar, bayah, sambel cabe goreng, jrrd. dibungkus ku daun jati.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3070", "text": "Ulah ngan ngudag titik atawa ganjaran balanja. Sababaraha tempat balanja favorit di sabudeureun wewengkon Anjeun biasana nawarkeun rupa-rupa promos sangkan konsumén maranéhanana satia balanja di dinya. Salah sahiji promo hébat maranéhanana nyaéta balanja loba bisa meunang loba titik. Pikeun kéngingkeun poin ieu, para nasabah kedah ngadamel kartu anggota sareng bakal nampi kasempetan diskon anggota sareng undian untung. Tangtu, urang bakal kabetot tur hoyong tetep balanja pikeun titik ieu. Kanyataanna, balanja sadaya waktu sabenerna bakal nyieun urang boros, katuhu? Ulah balanja ngan pikeun ngudag kupon. Ieu rada langka, tapi biasana batur bakal meunang kupon hadiah nalika balanja. Lamun meunang kupon, tétéla hadiah tina kupon kudu dibawa ka luar kota nu rada jauh ti lokasi Anjeun. Digoda ku hadiah, anjeun ogé angkat pikeun nyandak kado. Pikirkeun deui, ka luar kota merlukeun waragad tambahan, saperti ongkos, parkir, jalan tol, jeung sajabana. Ieu tangtu bakal ngajadikeun anjeun boros ogé, teu frugal.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5437", "text": "Lagu daerah Jawa Barat teh aya seueur pisan, salah sahiji nu menarik jang dibahas nyaeta lagu Bubuy Bulan. Lagu Bubuy Bulan diciptakeun ku Benny Corda, salah sahiji seniman Jawa Barat. Lagu ieu dirilis tahun 1988 jeung dipopulerkeun ku Nining Meida dina album Kalangkan. Lagu ieu nyaritakeun kaayaan hate nu rindu ka pasangan nu keur jauh kaayaan nana. rarasaan rindu atawa sono ieu teh muncul sabab lila teu panggih jeung deuih hampir unggal poe di deukeut Situ Ciburuy pendak wae jeung jalma nu sorot matana sami jeung pasangan nana. Hal ieu nyieun rasa sono eta makin karasa. Lagu Bubuy Bulan saolah jadi lagu nu wajib diapalkeun ku orang Sunda, sabab ti mimiti SD dugi ka SMA pasti diajarkeun wae nembangkeun ieu lagu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9363", "text": "Bertani henteu ngan ukur melak pepelakan buah, sayuran, sareng ttanaman hias hungkul, tapi ogé tiasa dimimitian ku melak pepelakan bungbu anu ukuranana leutik. Rempah-rempah rasa sapertos Basil, oregano, mint, Rosemary, sareng sajabana, urang tiasa kalayan gampang melak sareng nyimpen di dapur urang. Urang tiasa nganggo media tanam campuran sareng pot leutik atanapi kaléng anu dilubangi pikeun sirkulasi cai. Pastikeun anjeun nempatkeun pot caket jandela dapur supados pepelakanna kakeunaan ku sinar panonpoé. Bawa pepelakan di luar pikeun disiram supados prosés nyiram tiasa langkung bersih di dapur. Sanggeus pepelakan bungbu tumuwuh, urang bisa ngarasakeun hasil tina tutuwuhan ieu pikeun ngaronjatkeun rasa masakan urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9443", "text": "Dahar keuyeup mangrupikeun kagiatan anu pikaresepeun, khususna upami dilakukeun sareng babaturan atanapi kulawarga. Nanging, supados nuangna langkung nikmat sareng henteu nyababkeun masalah kasehatan, aya sababaraha cara nuangna anu peryogi jadi perhatian. Kahiji, milih keuyeup nu seger. Keuyeup seger biasana boga warna kulit caang jeung teu bau. Keuyeup anu henteu seger bakal bau sareng warna kulitna semu coklat. Salajengna, buka cangkang keuyeup ku cara anu leres. Pikeun nyabut cangkang keuyeup, potong heula sukuna ku gunting atawa peso. Saterusna, misahkeun cangkangna tina daging ngagunakeun garpu. Sanggeus cangkang keuyeup dibuka, potongan daging keuyeup. Biasana keuyeup dibagi jadi sababaraha bagian, saperti daging, ati jeung endog. Sanggeus eta, dahar keuyeup jeung saos favorit. Ku nuturkeun cara dahar nu bener, urang bakal leuwih nyaman jeung nikmat ngadahar keuyeup.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1863", "text": "Rendang teh hasil akulturasi budaya numutkeun ahli masak Ngaliwatan buku Herba dan Rempah Aplikasinya dalam Hidangan F.G. Winarno jeung W. Agustinah nyindekkeun yén kari ti India Kalér bisa jadi karuhun réndang caritana Bari usaha, para sudagar India ogé nyebarkeun budayana ka Sumatera Barat. Inpormasi ieu tiasa dipatalikeun sareng asupna rendang ka Sumatera Barat ti India.nyaeta kadaharan Kari Massaman ti India cenah mah rupana ampir sarua jeung kari Padang. Bahan anu dianggo hampir sami namung Kari ieu tuluy asak deui jadi kalio nu leuwih kandel. Teras urang Minang masak deui nganggo teknik masak lambat dugi cai béak sareng dagingna semu coklat hideung. Janten rendang anu biasa ku urang ayeuna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1629", "text": "Naek angkot teh sakapeung mah sok lila, komo deui mun angkotna teh can pinuh pisan. Biasana si emang angkotna sok ngetem di tempat-tempat anu rame, bisa di pasar atawa di sakola-sakola nu rek bubaran. Jeung deuih sakapeung mah harga angkot teh lantaran teu tertulis, jadi sok sangeunahna di taekeun. Komo mun duit urang kudu dipulangan, si duitna teh sok kurang. Jadi urang mah sok ngusahakeun pas mere duit ka si emang angkotna, salian ti moal kurang pamulanganna da teu di pamulangan, oge meh gancang jadi penumpang lain teu nungguan urang dipulangan. Mun keur bubaran sakola urang tara nungguan angkot pas di hareupeun sakolaan, da pastina pinuh. Jadi sok di tempat samemeh angkot nepi sakolaan ngarah masih keneh lowong.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4578", "text": "Sairing berkembang na jaman jeung teknologi ponsel handphone geus lain barang mewah, sagala kalangan ayeuna pasti boga ponsel handphone anu ges canggih ku internet. Mulai ti budak leutik nepi ka kolot nu ges sepuh ge ayeuna boga ponsel handphone, ponsel handphone ayeuna teu sakadar ngan alat komunikasi tapi oge bisa jadi alat keur hiburan dina nyetel lagu, ngadengekeun radio nepi ka nongton film film atawa sinetron, ponsel handphone oge ayeuna bisa di pake jadi barang paranti gawe, loba pagean ayeuna anu bisa di kerjakeun make ponsel handphone sagala ayeuna make handphone kaasup sakolah age ayeuna make handphone komo keur jaman pandemi kamari anu biasa di sebut daring atawa e-learning.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2263", "text": "Musa Musa AS dilahirkeun dina jaman Fir'aun anu dina sajarah mangrupikeun jaman anu paling seueur muatan politik. Firaun mangrupikeun salah sahiji kakuatan anu dominan di bumi. Nyatana, anjeunna nyebat dirina dewa sabab anjeunna kuat pisan sareng teu aya anu tiasa ngalawan anjeunna. Firaun ngabagi kelas, ngabagi jalma kana kelompok sareng suku. Urang Yahudi, bani Israil, ditempatkeun di tingkat panghandapna masarakat Mesir. Hal eta luyu jeung pananglutikan ngenaan demografi nu aya di mesir kerur jaman firaun ku univesitas kairo ngeanaan perbudakan nu aya dina jaman eta. Maranehna bani israil mangrupakeun bangsa budak jeung hamba sahaya. Kulawarga Musa sorangan kaasup barudak bani Israél.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5760", "text": "Cara supaya bisa gabung ka ekskul futsal nu aya di sakola teh aya sababaraha hiji. Mimiti, biasana beres ospek sakola teh sok aya demo ekskul, tah tidinya sok bari muka pendaftaran oge jang anggota baru. Kadua, sok aya nu nyebar pamflet di mading unggal kelas supaya bisa nyebarkeun informasi muka pendaftaran jeung anggota baru. Biasana pembukaan anggota baru teh sok diayakeun sataun maksimal ngan dua kali sabab supaya bisa ngudag materi jeung kaahlian oge. Nu katilu nyaeta sok aya dina event khusus misalna jiga pekan kreativitas siswa, tah sok kadang oge diayakeun pendaftaran anggota baru. Aya oge nu berdasarkan proyek, jiga ekskul karya ilmiah, biasana perproyek teh nembe muka pendaftaran terus proses seleksi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7934", "text": "Baheula pas SD keneh lamun abdi gaduh rerencangan anu dekeut jeung abdi tuluy abdi gaduh rerencangan deui anu anyar biasana rerencangan anu tiheula teh sok teu resep ka rerencangan anyar urang lantaran manehna mikir rerencangan anyar eta teh ngarebut abdi ti manehna padahal sabenerna urang mah kedahna janten babaturan jeung saha wae. Urang oge lamun gaduh rerencangan teras anjeunna gaduh rerencangan deui ulah sirik lantaran urang mah tiasa ameng jeung saha wae, ulah milih-milih rerencangan. Beuki seeur rerencangan beuki rame janten urang oge bakal leuwih janten dipikaresep di mana wae. Urang oge bakal tiasa diajar kumaha carana nyanghareupan sagala macem babaturan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2647", "text": "Ngojay tiasa katingali pikasieuneun upami anjeun henteu kantos diajar ngojay, tapi éta tiasa waé pikeun saha waé. Maén di sabudeureun cai bisa jadi loba senang, sarta nyaho kumaha carana ngojay ogé bisa nyalametkeun hirup anjeun lamun anjeun kantos nyangkut dina caina. Sadaya anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta janten nyaman dina cai, diajar gerakan mimitina, teras diajar téknik anu langkung hese nalika anjeun siap. Bari anjeun dina caina, tahan kana tepi kolam renang, sarta ngantep suku anjeun ngambang di tukangeun anjeun - maranéhanana kudu gampang ngambang. Prakték ngalakukeun ieu dina beuteung sareng tonggong anjeun dugi ka anjeun ngaraos teu nyaman ngantepkeun satengah awak anjeun ngambang", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1989", "text": "Candi Bima anu aya dina kaluhuran 2.098 méter dpl (rada leuwih luhur ti Kompleks Candi Utama Arjuna anu 2.086 méter dpl), teu aya sasaha tapi kuring pernah kamping didinya, engke mah ulah nya, soalna tiris pisan. awalnamah sisigaan aya lanceuk ngan sanggeus sababaraha kali ngagero ngaran misan kuring tanpa jawaban, nyali kuring mimiti tilelep sabab atmosfir di sabudeureun éta sagemblengna poék, tiis jeung aya halimun: sampurna pikeun saré atawa ditempo ku sababaraha mahluk gaib. Pikeun mastikeun aya \"euweuh nanaon\" di jero Candi Bima, kuring ngajanteng jeung nyorotkeun lampu kana rohangan di jero candi, peninggalan Karajaan Mataram Kuno abad ka-8-9 Masehi, anu baheulana mangrupa rohangan pikeun lebu. awak. Sanggeus ngarasa \"aman\", ahirna kuring ngagugulung kantong saré anu ditutupan ku kasur di palataran Candi Bima. Teu sangka ieu kajadian bakal kacapai sabab kuring kungsi ngimpi saré ker di Dieng kalawan hateup langit dina taneuh, Kuring kungsi ngabolaykeun eta ngan kusabab gagal patimu jeung lancek misan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "585", "text": "Peran tokoh adat dina ngajalankeun pembangunan jang masarakat kampung masih can optimal. Tokoh adat dina ngajalankeun pagaweanana leuwih fokusna kana pemenuhan tugas jeung nu dumasar kana otoritas birokrasi, jadina kurang meunangkeun tanggapan anu alus ti masarakat kampung. Sedengkeun tokoh adat cenderung ngajalankeun aktivitasna nu dumasar kana masalah adat, jadina perananna dina pembangunan kampung jadi kurang optimal. Sanajan kitu, ayana pangaweruh peran tokoh adat kana kinerja aparat kampung. Peran tokoh adat mere sumbangan dina aktivitas pamaerantahan jeung pembangunan nu dibere ku aparat kampung. Unsur adat miara nilai-nilai budaya nu berkembang di masarakat kampung. Anu satuluyna mah bakal bisa ngaronjatkeun kasejahteraan masarakat kampung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1889", "text": "Salian ti nyieun keripik atawa jajanan sejenna anu dina iket masih renyah, salah sahiji cara beh camilan snack teh awet heuteu melempem nyaeta nganuan nitrogén oge boga fungsi sejen, yeuh, dulur-dulur. Nitrogén anu dieusian kana bungkusan snack ogé ngajaga rasa snack dijaga nepi ka urang ngarasakeun snack. Ieu alatan oksigén bisa ngabalukarkeun minyak dina jajan, nu mangrupa résidu tina prosés ngagoreng, bau sarta mangaruhan rasa snack. Bungkusan snack inflated ogé bakal ngajaga snacks salila prosés pangiriman bungkusan ti pabrik nalika aranjeunna disebarkeun ka toko. Kusabab kemasanna digembungkeun, unggal sabungkus jajanan ieu moal dideukeutan sareng bungkusan kadaharan anu sanés, anu tiasa nyababkeun eusi bungkusna remuk.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4726", "text": "Umumna lamun urang geus lulus sakola atawa kuliah urang hayang bisa di gawe heula di parusahaan atawa di gawe kantoran, ieu the pamikiran anu pasti loba jelema boga, lamun geus lulus nya di gawe jeung kantoran pasti piliheun pangluhurna komo lamun urang hirup di kota gede misalna jakarta. Urang pasti hayang ngajaran di gawe di gedong anu alus anu jangkung di pusat kota, make pakean anu rapih jeung keren sarta boga panghasilan teteup unggal bulan na. Gawe kantoran masih jadi pilihan sabab lamun mimiti lulus urang pasti can ngarti dunya gawe the kumaha. Nah gawe di kantor teh jawabanna di kantor urang bakal di ajar sistem gawe, carana di gawe anu bener kumaha jeung pasti na di ajar soal kadisiplinan jeung tepat waktu. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2368", "text": "Kusabab kalakuanana Si Pitung jeung dombana jadi buronan tina \"kompenie\". Hal ieu narik perhatian komisaris pulisi ngaranna Van Hinne anu ngajabat di Batavia ti taun 1888 - 1912. Van Hinne langsung ngaburu Pitung sacara buta. Pitung katéwak tapi junun kabur. Tuluy Hinne ngadesek Haji Naipin (guru Si Pitung) pikeun nembongkeun rusiah kakuatan gaib Si Pitung. Ahirna kapanggih yén éta sakti téh mangrupa \"jimat\", sangkan Si Pitung gancang katéwak. Versi séjén nyebutkeun Si Pitung ditéwak alatan baturna ngahianat. Pitung maot tina tatu bedil ka Hinne (dumasar film Si Pitung, Pitung maot ditembak ku pélor emas). Sanggeus Si Pitung maot, makamna dijaga ku prajurit lantaran yakin Si Pitung bakal bangkit tina kuburan. Si Pitung memang katelah tukang rampog, tapi hasil rampogna digunakeun pikeun nulungan jalma nu keur sangsara. Si Pitung teh Robin Hood urang Betawi. Dasarna Si Pitung mangrupa cerminan tina pemberontakan sosial anu dilakukeun ku masarakat Betawi ngalawan pangawasa harita, nyaéta Walanda. Si Pitung mangrupa salah sahiji kareueus masarakat Betawi", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3912", "text": "Tampah atawa nyiru nyaéta pakakas anu dipaké pikeun nnapikeun beas tina kulitna atawa séjénna.Nyiru umumna mangrupa baki/baki anu buleud badag (diaméterna kira-kira 65–80 cm) dijieun tina anyaman batang tangkal awi. Napikeun béas kalayan diiringan umumna dilakukeun pikeun ngabersihkeun béas tina najis sateuacan dikumbah sareng dimasak. Biasa na samemeh di asakan terus di tapikeun dina nyiru bakal di guar guar beas na mastikeungeus bersih tuluy siap di asakan. Salian paranti napikeun beas nyiru oge bisa loba mangpaat pikeun neundeun jajanan anu biasa disebut kue nyiru. nyiru ogé dipaké minangka alas tumpeng.Pakakas ieu masih kénéh loba dipaké ku masarakat Indonésia lantaran nyirumangrupa pakakas anu kawilang murah tur praktis digunakeunana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7365", "text": "Push-up mangrupikeun gerakan latihan anu sederhana tapi efektif pikeun ningkatkeun kakuatan dina awak bagian luhur. Latihan ieu anu ngagunakeun beurat awak urang sorangan salaku beban ieu tiasa ngalatih otot pectoral urang dina dada sareng dina trisep, nyaeta otot dina tonggong panangan luhur. Nanging, supados push-up masihan mangpaat anu maksimal pikeun awak, urang kedah ngalakukeunana kalayan tehnik anu leres. Masih seueur jalma, khususna pemula, anu teu sadar ngalakukeun kasalahan nalika ngalakukeun push-up, janten gerakanna henteu efektif bahkan nepikeun nyababkeun cidera. Upami urang gaduh cidera dina taktak, dada atawa otot inti, konsultasikeun heula dokter atawa terapis fisik. Tapi upami henteu, aya variasi sareng modifikasi anu tiasa dilakukeun pikeun ngagampangkeun atanapi langkung susah sasuai jeung kabutuhan urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1148", "text": "Cara ngamimitian muka wirausaha, nu pasti mah kahiji kudu ditangtukeun heula urang rek muka wirausaha naon, apakah jasa atawa barang. Ieu meh ngerucut sabab dua hal ieu kaitung beda jauh. Nu kadua tangtukeun oge rek muka wirausaha di mana tempatna. Nu katilu masih nyambung jeung nu kadua nyaeta tangtukeun target pasar, didieu apakah target pasar urang menengah kaluhur atawa ti handap ka menengah, lantaran meh bisa matok hargana. Jeung tangtukeun oge wirausaha ieu jang saha, apakah jang barudak leutik, ibu-ibu, atawa bapa-bapa. Saenggeus kitu mah kari ngaluarkeun modal mimitina, leuwih alus deui mun geus boga perincian bati tina sabulanna sabaraha, ieu meh jadi patokan. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "572", "text": "Tari Jaipong ieu mibogaan pola gerakan nu cukup penting pas pangtari mintonkeun tarian eta di luhur panggung. Pola gerakan dina seni tari ieu mibogaan pangaweruh nu cukup gede pas pintonan pangtari keur maranehna tampil di luhur panggung. Nu kahiji aya bukaan, gerakan ieu nyaeta gerakan bubuka pas ngalakukeun pintonan nu rek dimimitian. NU kadua pencungan, gerakan ieu nyaeta gerakan tari nu mibogaan tempo nu cukup gancang jeung dibarengan ku alunan musik jeung lagu nu cukup gancang oge. Nu katilu ngala, gerakan ieu nyaeta gerakan pegat-pegat. Gerakan ieu mangrupakeun pipindahan ti titik ka titik saenggeusna jeung dilakukeun ku cara ngagunakeun tempo nu gancang pisan. Nu terakhir mincit, gerakan ieu mangrupakeun pipindahan ti hiji variasai gerakan ka variasi gerakan sejenna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1581", "text": "Cara ngamimitian deui ngawangun hubungan jeung babaturan nu baheulana pernah boga masalah. Nu kahiji coba tinggali heula masalah nu kamari teh geus rengse atawa acan, lamun urang boga salah geus menta hampura, geus dihampura can? Lamun misalkeun enggeus, berarti ulah dibahas deui, ulah diungkit-ungkit deui. Nu kadua mun misalkeun masih aya masalah, tinggali heula masalah eta kajadianna iraha? Naha anyaran keneh atawa geus lila pisan? Lamun kajadianna geus lila pisan pas keur leutik atawa pas keur sakola, sanajan masalahna can rengse, ceuk urang mah teu kudu dibahas deui. Tapi lamun masalahna anyaran keneh, jeung hate urang acan plong, alusna mah urang menta hampura.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4652", "text": "Internet mimiti dijieun ku Advanced Research Projects Agency (ARPA) dina taun 1969. Waktu harita, Internet masih mangrupa jaringan komputer anu saterusna di ngaranan ARPANET. Istilah ieu jadi cikal bakal kabentukna jaringan internét populér kiwari. Saterusna, dina taun 1980-an, internét mimiti dipaké ku kalangan kawates kalawan tujuan pikeun nyambungkeun rupa-rupa kampus atawa universitas populér di Amérika Serikat. Lila-lila, jaringan internét ngembang pesat, khususna saatos peluncuran standar protokol TCP / IP. Saprak harita, Amérika Sarikat geus ngabentuk badan panalungtik anu katelah gaganti peran ARPANET, nyaéta National Science Foundation Network (NSFNET). Diwangun taun 1986, NSFNET nyambungkeun sababaraha jaringan anu sumebar ka sababaraha nagara.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3576", "text": "Jadi mimitina, baheula kuring boga sobat 1 lalaki jeung 2 awewe. Arurang geus sobatan ti jaman SMK. Nah kuring bobogohan pas geus 2 tahun lulus di SMK. Saacan bobogohan, arurang sok arulin, ngan pas kuring geus boga kabogoh, ulin teh asa jarang. Masalah na dimimitian pas arurang rek ulin, kabogoh urang ngaulahkeun sabab sieun disangka na keur 'double date' padahal mah pan heunteu kitu maksudna. Ti harita, kuring jeung kabogoh teh parasea wae, jaba kabogoh urang nga blok kontak sobat kuring. Pas tahun 2021, kuring jeung sobat rek aya rencana ka Bandung. Ngan kuring yakin mun bebeja ka kabogoh pasti ulaheun, ahirna kuring ngabohong. Ari pek teh kanyahoan, kabogoh kuring malah nyalahkeun sobat-sobat kuring. Tidinya matak sobat kuring teh geus embung deui ngajak kuring ulin kamamana, bari jeung kuring ge geus ngaenggesan hubungan jeung kabogoh soalna beuki lila teh beuki ngekang kuring. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3607", "text": "Sacara bahasa tatanen teh samacam melak pepelakan. Tatanen teh cara melak bibit anu dihasilkan ti bibijian, gagang tangkal, atanapi umbi-umbian menang cangkokan. tantu tatanen teh seer mangpaatna, salah sahiji na ngabantuan ngawangun tangkal sangkan jadi kebal jeung ngakokohkeun ti jero. Ciri-ciri keur tani, nyaeta loba na paralatan keur nani, usum hujan, jeung sajabana. Kahirupan tatanen ditempo dina parubahan tradisi ngumpulkeun daharan jeung ngasilkeun daharan. Teras, dampah tina tatanen nyaeta hawa jadi bersih, lewih seger, jeung lewih loba hasil tani. Tatanen saleresna mah tos aya di jaman pageto, kagiatan ieu geus dilakukeun ku jalma era Neolitikum atanapi jaman batu anyar. Zaman ieu geus lumangsung antara 7.000 dugi ka 10.000 tahun kapengker. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2808", "text": "Singkat carita, pikeun ngabasmi kajahatan anu marak di Johannesburg, Afrika Kidul. Perusahaan robot Tetravaal ngawangun tentara robot anu diprogram janten pulisi. Robot ieu, dirancang ku Deon Wilson, fungsina kawas perwira pulisi, ngalakonan pagawean pulisi, kaasup raiding dens dealers narkoba, catching begal jeung sajabana. Ku ayana pasukan robot pulisi ieu, dipiharep bisa ngurangan jumlah korban atawa nyawa pulisi dina ngalaksanakeun tugasna. Éta ngan hiji conto anu, jigana dina mangsa nu bakal datang, lamun program robot geus jadi sampurna, mangka manusa bisa jadi kudu dimimitian diganti ku robot. Sanajan teu sakabeh elemen / departemén diganti. Anu caket sareng robot anu sampurna tiasa janten téknologi sapertos dina film Six Million Dollar Man, Robocop, The Stepford Wives, Bicentennial Man, Alita The Battle Angel. Nanging, ayeuna téknologi dina pilem ieu ogé henteu acan aya.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4615", "text": "Mesin cuci loba mangpaatna, jadi tangtu bakal jadi tinimbangan pikeun anjeun naha boga mesin cuci téh kaputusan nguntungkeun saperti leuwih hemat énergi sabab ngagunakeun mesin & listrik dibandingkeun cuci manual anu bisa beak loba cai bisa ditinggalkeun, sabab mesin jalan otomatis. jadi anjeun tiasa ngalakukeun pagawean anu sejen na, ngahemat waktu sabab mesin cuci ogé ngalakukeun prosés dryng atawa ngagaringkeun baju jadi ngan ukur perlu digaringkeun di panonpoé sakeudeung supaya garing lengkep saenggeus diseuseuh nganggo mesin cuci, tulu aya mangfaat anu pang pentingna keur emak emak nyaeta ngajaga kulit leungeun sabab teu kudu ngucek make deterjen siga lamun urang nyeuseuhan manual.Sababaraha kaunggulan mesin cuci di luhur pasti ngajadikeun mesin cuci salah sahiji alat éléktronik anu cukup mangpaat dina hiji imah. Utamana lamun anggota kulawarga cukup badag sarta geus loba baju diseuseuh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3621", "text": "Dina artikel ieu, kuring resep ngajajah kahirupan jalma anu cicing di dataran luhur, naha éta? keur kuring pribadi kahirupan masarakat padesaan di dataran luhur kacida matak pikabitaeun jeung loba hal anu bisa diconto. Kabiasaan jeung Kateguhan Wong Deso\r\n1. Kabiasaan jeung Ketangguhan Wong Deso Dimimitian ti cara pakéan anu idéntik jeung baju anu kandel jeung haneut, nepi ka cara ngadahar kadaharan anu dipelak sorangan di sawah jeung di sawah. Teu eureun-eureun mikir basa keur ulin di dataran luhur Kabupaten Pekalongan, tepatna di Kacamatan Paninggaran. Kuring reuwas ningali jalma-jalma anu dianggap sepuh masih kuat dina kagiatanana mawa karung-karung anu dieusi ku jukut nepi ka tumpukan kayu bakar ngaliwatan jalan anu rupa bumi anu lungkawing sareng kontur anu naék-turun.\r\n2. Gotong royong jeung Rasa Kulawarga anu Kuat Seueur deui hal-hal anu pikaresepeun anu aya patalina sareng kahirupan masarakat, khususna anu aya di dataran luhur. Sigana mah maranéhna masih kénéh kuat dina ngajaga tradisi karuhun, upamana tradisi sedekah anu diémutan dina waktu nu tangtu sataun sakali.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2027", "text": "Abdi ogé gaduh hobi fotografi. Kagiatan ieu geus lila lumangsung, utamana ti kuring keur kuliah. Meureun ku jurusan kuliah kuring jeung ukm, jadi hobi kuring rada nyambung, padahal dipikir-pikir mah geus lila resep fotografi, tapi kagiatan ieu kakara disalurkeun pas kuring meunang kamera nu meuli keur kuliah. kagiatan, nu kuring réngsé nepi ngagunakeun ngan nyandak gambar teuing. Najan kitu, aya halangan dina hobi kuring, sabab kuring introvert, ieu ngajadikeun kuring jarang kaluar pikeun moro poto, kuring geus sababaraha kali kaluar tapi unggal kaluar kaméra kuring jeung ngarasa dijaga ku jalma kuring bakal langsung nempatkeun. kaméra asup deui kana kantong jeung buru-buru kabur. Balukarna, kamampuan kuring macét di dinya. Nanging, akhir-akhir ieu kuring mikir pikeun uih deui kana hobi ieu, sareng ngadoakeun kuring sing wani hunting poto kuring sorangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4494", "text": "Ngefans atawa reseup ka batur pasti aya alesan nana boh eta jelema kasep atawa geulis rupana, resep kana karya na boh akting lamun dina film sinetron atawa mini series atawa nyanyi pokokna resep kana karya na jeung aya oge anu kagum kana personality atawa kapribadianna jeung prestasina. Lamun urang mah leuwih resep jeung ngaidolakeun jelema di tingali tina personality jeung karya na. Dimana lamun personality atawa kapribadiana alus biasana bisa jadi inspirasi atawa motivasi urang ameh bisa jadi jelema anu hebat. Idola teh biasana jadi role model atawa contoh keur penggemarna. Biasana para penggemar ngajieun kumpulan atawa komunitas anu eusina penggemarna kabeh anu tugas na ngadukung idolana, kumpulan eta di sebutna fanbase.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6487", "text": "Sisi negatif tina kahirupan tatanggaan di kampung teh nyaeta ku rudetna. Tatangga teh malahan kamampuan intelna teh teu diragukeun deui. Hal nanaon ge jadi piomongeun wae jang tatangga mah. Sagala na teh diomongkeun, rek bener rek salah ge teu weleh diomongkeun. Sagala lampah teh jadi bahan pibiwireun tatangga we. Komo mun ngalakukeun hal nu tabu pisan mah, pasti we langsung seantero kampung apaleun. Mulut tatangga teh kadang mah sok ngaleuwihan omongan da meureun ngarah resepna ngagosip. Kuduna mah hirup bertetangga teh silih bantu lain kalah silih gosipkeun jeung silih saingan. Sabab naon wae nu diomongkeun tatangga teh sok babari nyebar salembureun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "513", "text": "Julang Ngapak salah sahiji imah adat Sunda anu boga makna nyaeta manuk nu keur ngepakkeun sayapna. Ngaran ieu kusabab posisi hateup imah nu sok ngalegaan ka arah sisi siga manuk nu keur ngepakkeun sayapna. Tina bentuk hateupna hungkul geus bisa ninggali kaunikan tina arsitektur wangunanna. Jang bagian hateupna ieu imah adat Sunda Julang Ngapak dijieun tina bahan eurih, injuk, jeung daun rumbia. Samentawis bagian tembok jeung kerangka nu dijieun tina campuran awi jeung kai. Imah adat Julang Ngapak bisa dipanggihan di daerah Tasikmalaya jeung Kuningan. Sanajan geus asup ka zaman modern, tapi adat istiadat sarta warisan budaya kudu tetep dimumule.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6766", "text": "Upami liburan sakola abdi resep kempel sareng rerencangan. Teu kamamana, mondok di teun rerencangan oge tos bungah lantaran urang tiasa ngobrol, seuseurian, ulin, lalajo, dahar sasarengan jeung rerencangan. Biasana urang masak sangu liwet babarengan, mawa beas masing-masing teras udunan kanggo meser dengeun na. Biasana masak dengeun hayam, kangkung, sambel jeung kurupuk. Ditambih ngadamel minuman seger kanggo dileeut sabari ulin games. Lanjut urang lalajo pelem, biasana lalajo pelem jurig. Mun keur babarengan oge biasana sok mesen dahareun di aplikasi meh leuwih mirah lantaran sok aya promo lamun meser seeur. Lamun tos wengi biasana arurang sok ngobrolkeun perkara anu serius nepikeun ceurik.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7022", "text": "Umroh mangrupakeun salah sahiji ibadah sunnah anu pelaksanaanna tiasa di unggal waktos, benten sareng inadah haji anu pelaksanaana nan tiasa di musim haji, nyaeta pas sasih Syawal nepikeun sasih Dzulhijah. Rukun umrah oge benten sareng haji, urutan umrah nyaeta anu kahiji ihram atawa niat ngalaksanakeun umrah, anu kadua tawaf nyaeta ngulilingan Ka'bah tujuh kali, anu kaopat sa'i nyeta bulak balik ti Bukit Shafa ka Bukit Marwah, anu kalima tahallul atawa nyukur buuk nepika botak atau pondok, anu paneuri nyaeta tertib, sadaya rukun umroh kedah dilaksanakeun sasuai jeung urutanna. Umroh oge mangrupakeun ibdadah anu tiasa dilaksanakeun sahari hungkul, komo lamun lancar mah bisa ngan hiji nepikeun tilu jam hungkul. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4624", "text": "Beuki ayana média sosial, kabutuhan fotografi jeung videografi terus ningkat. Ieu ogé nyababkeun kabutuhan alat-alat pendukung pikeun fotografi sareng videografi ningkat. Alat-alat fotografi ogé beuki inovatif, anu ngajadikeun aktivis fotografi sareng videografi langkung kreatif. Anjeunna nambahan, kasempetan usaha fotografi jeung videografi di Indonésia masih kénéh cukup alus, alatan kamekaran pamaké média sosial jeung kagancangan internét anu terus ngaronjat. Seueur jalma anu resep kana karya influencer sapertos YouTubers, jadi loba jalma anu hoyong janten salah sahijina. Ku alatan éta, palaku bisnis bakal balik kana pamasaran digital pikeun ngamajukeun produk maranéhanana. Ieu merlukeun aranjeunna gaduh parabot lengkep jeung kualitas pikeun bisa digawé kalawan bébas tur ngagunakeun kreativitas maranéhanana. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4920", "text": "Tuangeun di daerah Sunda mah kacida seueurna. Salah sahiji tuangeun sunda nu babari dimasakna nyaeta oseng genjer. Bahan-bahan nu digunakeun nyaeta sabeungkeut genjer, 3 siki bawang beureum, 2 siki bawang bodas, 4 siki cengek, sabungkus tarasi asak, sahiji tomat, minyak sayur, jeung cai asak. Mimiti, potongan genjer na kira-kira sabuku, tuluy kumbah ngangge cai beresih. Saentos eta, keureutan bawang beureum, bawang bodas, tomat, sareng cengek. Teras siapkeun katel kangge manaskeun minyak. Saentos minyak panas, lebetkeun bahan tadi nu tos di keureutan, aduk dugi ka semu garing. Tuluy abruskeun genjer, aduk sakedap dugi ka rada leeh. Tos kitu, tambahkeun sagelas cai, sabungkus tarasi asak, uyah sacukupna, mecin sacukupna, sareng gula bodas sasendok. Oseng-oseng dugi ka caina ngagolak sareng genjerna robah janten warna semu hideung. Pami tos seungit, pareuman kompor, sayogikeun oseng genjer kana piring. Oseng genjer siap dituang. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7135", "text": "Bubuy Bulan nyaeta lagu rahayat Jawa Barat anu dikarang ku Benny Corda, saurang musisi jeung panulis lagu dina taun 1950-an. Salian ti lagu Bubuy Bulan, Benny Corda oge ngarang lagu Suling Senja jeung Padamu Srikandi. Lagu Bubuy Bulan dipopulerkeun ku pamajikanana nu ngaranna Nina Kirana, panyanyi Radio Bintaro nu kawentar taun 50-an. Waktu éta, Nina mimiti ngawihkeun lagu Bubuy Bulan di sanggar Lokananta, Solo, Jawa Tengah. Penyanyi pop Sunda Indonésia taun 1980-an, Nining Meida, nembangkeun deui lagu Bubuy Bulan sarta ditambahkeun kana albumna \"Kalangkang\" kalayan genre Pop Sunda. Lagu Bubuy Bulan diciptakeun ku Benny Corda lantaran diilhaman ku hiji mojang anu mikaresep idola na.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4643", "text": "Di jepang aya robot anu di gunakeun pikeun mantuan perawat anu di pekerjakeun di rumah sakit nyaeta Robot RIBA atanapi Robot pikeun Bantuan Badan Interaktif tiasa jiga robot sapertos perawat. Robot canggih ieu dikembangkeun sareng diciptakeun ku RIKEN kalayan program pikeun ngangkat atanapi mawa pasien rumah sakit. Sanajan kitu, robot ieu sanggup mawa pasien anu beurat awakna teu leuwih ti 61 kilogram. Robot ieu emang husus di jieun kusabab loba perawat anu teu kuateun ngangkat pasieen, Henteu ngan ukur mawa pasien, robot RIBA ogé tiasa mikawanoh sora perawat atanapi karyawan rumah sakit. Éta sabab robot RIBA tiasa ngadeteksi rupa sareng sora perawat rumah sakit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8806", "text": "Cara ngalakukeun sit-up anu alus jeung bener, mimitina ngagolér dina tikar atawa permukaan anu datar jeung nyaman. Kadua ngabengkokkeun dua tuur sangkan dampal suku keuna kana tikar, pastikeun dampal suku keuna kana tikar ku tatapakan anu pageuh. Katilu, silangkeun leungeun anjeun di hareup dada anjeun, ulah nempatkeun leungeun anjeun di tukangeun sirah anjeun, sabab bisa narik beuheung anjeun. Kaopat, pokus sareng nguatkeun inti awak bari nyandak napas jero, teras nganggo otot beuteung anjeun pikeun ngangkat tonggong anjeun tina lantai ka hareup. Kalima, nurunkeun deui anjeun ka posisi aslina atawa ngagolér deui. Laksanakeun lalaunan, ulah tarik teuing kana tikar. Malikan gerakan ieu sababaraha kali dumasar kana kamampuan urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5101", "text": "Opat film nu diadaptasi tina novel. Nu kaiji nyaeta film Bumi Manusia. Film ieu diadaptasi tina novel Bumi Manusia karya Pramoedya Ananta Toer. Caritana ngisahkeun hiji kahirupan pengusaha jeung percintaan zaman pejajahan. Nu kadua nyaeta film 5 Cm. Film ieu diadaptasi tina novel judulna 5 Cm karya Donny Dhirgantoro. Film ieu ngisahkeun persahabatan anu aya di sagala kondisi. Nu katilu nyaeta film Love Sparks in Korea. Film ieu diadaptasi tina novel Asma Nadia nu judulna Love Sparks in Korea. Film ieu ngisahkeun cinta dua jalma nu beda agama. Nu terakhir nyaeta film Surga yang Tak Dirindukan. Film ieu diadaptasi tina novel Asma Nadia nu judulna Surga yang Tak Dirindukan. Film ieu nyaritakeun tentang poligami.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5372", "text": "Rajaban atawa Isra Mi'raj teh nyaeta hari besar dina raraga milangkala peristiwa baginda Nabi Muhammad SAW diisrokeun sareng dimi'rojkeun dina waktos sapeuting. Isra Mi'raj teh mangrupakeun peristiwa Rasulullah SAW diangkat ka surga jeung dibere parentah sholat lima waktu. Isra Mi'raj diperingati unggal tanggal 27 Rajab. Peristiwa diisrokeun na Rasululloh ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsa tuluy dimi'rojkeun ka langit katujuh janten peristiwa mulia dina sajarah Islam. Tina kamuliaan eta, urang salaku umat muslim kudu ngamumule ieu poe, kudu ngamumule ieu kamuliaan supaya tiasa terus diinget jeung kenging kamuliaan nana kangge hirup di dunia boh di akherat kelak. Jadi, yuk urang mumule bareng-bareng ieu peristiwa!", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4555", "text": "Latihan loba pisan mangpaat pikeun kaséhatan. tapi naha loba batur anu hoream jeung teu olahraga padahal olahraga loba jinis na jeung teu kudu mahal nyaeta gratis, urang ngan perlu daekna hungkul. Ku latihan olahraga anu rutin, métabolisme awak jadi lancar sahingga distribusi jeung nyerep gizi dina awak jadi leuwih éféktif jeung éfisién. Kombinasi diet, latihan sareng bobo mangrupikeun konci penting pikeun kaséhatan total. Éta pisan sababna naha olahraga pohara populér kalayan loba jalma. Ku olah raga sacara teratur, sacara teu langsung awak ogé bakal miboga kaayaan anu leuwih prima jeung idéal ti batan saméméhna. Pikiran langkung tenang, sareng diri langkung produktif.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5748", "text": "Dina olahraga bulu tangkis mah raket teh jadi bagian nu paling penting, sabab raket teh mangrupakeun senjata para atlet badminton dina ngahadapi pertandingan. Pasalna, makin mahir atlet maen badminton, maka makin rumit oge spesifikasi raket jeung nunjang kamampuan nana supaya bisa mertahankeun prestasi. Biasana mah makin mahir teh harga raket na oge makin mahal, sapadan jeung kualitasna. Kadang mah beda merk oge sok beda dipakena, jadi sok kumaha nu ngeunaheun na wae. Raket teh jadi salah sahiji alat nu pasti melekat pisan jeung diri atlet nu ngabogaan nana. Sabab dina pertandingan mah, kanyamanan raket teh pangaruh pisan dina nangtukeun sasaran jeung pukulan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "93", "text": "Sangu goreng seafood, dahareun nu pastina loba dipanggihan di sisi jalan, biasana jualanna make gerobak tapi gerobakna nu permanen jeung geus boga tempat jang daharna. Sangu goreng seafood teh paduan sangu nu di goreng tuluy ditambahan seafood, siga cumi-cumi atawa udang. Henteu ngan sangu jeung seafood hungkul, biasana tukang dagang oge sok dicampur jeung bahan nu sejen, misalna peuteuy, endog, jeung sajabana. Atawa ditambahan ku rupa-rupa sambel, contona sambel hejo. Jadi tampilanana sangu gorengna teh hejo. Biasana sok ditambahan oge sayuran, bangsa wortel, tomat, soun, jeung sajabana. Potongan-potongan seafood oge beda-beda, gumantung kana harga. Lamun hargana murah potongan seafoodna sok laleutik, sakapeung mah sok tara karasa pas didahar teh. Beda jeung nu hargana mahal potonganna galede jadi karasa seafoodna teh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "564", "text": "Geus kuduna urang ngamumule alat musik tradisional di daerah sewang-sewangan. Sabab alat musik ieu mangrupakeun warisan budaya nu kudu dijaga. Ngameh alat musik tradisional ieu teu kagerus ku arus globalisasi sarta perkembangan modern sejenna, bisa dicobaan ku cara diajar ngamaenkeun alat musikna oge susunan nadana. Tuluy ku urang bisa direkam proses diajar ieu jeung diunggah ka media sosial, siga Instagram, Youtube, atawa Twitter, supaya alat musik ieu beuki dipikawanoh, teu ngan ukur ku warga Indonesia tapi oge ku mancanegara. Bisa oge ku cara ngarawat alat musikna, misalna mindeng diberesihan ngameh alatna teu babari ruksak jeung digunakeun di acara-acara tradisional ngameh alatna teu babari karatan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4018", "text": "Rumangsa kuring film yo wis ben teh film anu alus pisan. pilem anu hayang ngamumule budaya jeung basa daerahna sorangan. Film ieu lain asal film tapi mangrupa hiji misi promosi budaya bahwa daerah na teh boga budaya nu teu kalah bagus jeung hade. Numbuhkeun rasa percaya diri bahwa tong era mun make bahasa daerah, indonesia teh unik loba daerah loba bahasa jeung budaya, urang kudu bungah jeung ngarasa bangga. Salian Carita anu hampang nurutkeun kahirupan sapopoe tanpa ditambahan. Carita nu pikagumbiraeun jeung lengkep, aya kasedih, aya kabungah, jeung dibungkus ku komedi jeung banyol nu di bawakeun ku legenda ludruk kesenian khas daerah Jawa Timur. Ide jeung gagasan nyieun film yo wes ben ieu alus pisan karna bisa berkarya secara nasional bareng seniman lokal nu dimana bisa melestarikan budaya daenah na. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7366", "text": "Olahraga angkat beban mineng dijadikeun pilihan pangsaena pikeun ngawangun otot. Henteu ngan mujarab pikeun ngawangun otot, latihan ngangkat beurat oge gaduh kauntungan pikeun ngabantosan ngawangun tulang anu kuat sareng ningkatkeun metabolisme sareng energi. Najan kitu, pikeun ngalakukeunana, urang teu meunang lalawora. Latihan ieu umumna ndilaukeun nganggo sababaraha parabot kalayan beban anu rupi-rupi beuratna, ti hiji kilogram, belasan nepi ka puluhan kilogram. Aya sababaraha alat anu biasa dianggo pikeun ngangkat beurat kalebet dumbbell, barbell, kettlebell, sareng anu sanesna. Urang tiasa ngalakukeun latihan ieu di bumi atanapi di gim atanapi pusat kabugaran. Nanging, pikeun saha wae anu teu gaduh alat, angkat beurat di gim mangrupikeun pilihan\r\nsae.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6123", "text": "Mun muka usaha teh kudu disiakeun heula finansial jeunv mentalna. Ulah nepi ka finansialna geus siap, tapi mentalna can siap, jadi mun kena karugian teh malah jadi beban pikiran, lain kalah jadi cambuk jeung leuwih berkembang bisnisna. Kudu pinter oge neangan peluang bisnis supaya bisa nyegah resiko rugi. Mun keur kena karugian teh kudu sabar jeung tawakal, serahkeun diri ka nu Maha Kawasa. Ulah nepi ka henteu siap ngahadapi karugian, kudu siap dina sisi terburukna. Mantakna, mun muka usaha teh kudu disiapkeun sagalana, termasuk dina kasiapan karugian. Ulah sagawayah, sagalana kudu direncanakeun masing asak supaya bisa ngaantisipasi sagala rupa kamungkinan nu goreng.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4093", "text": "Abdurrahman Wahid atawa Gus Dur mulai aktif di Nahdatul Ulama di tahun 1982, ieu di mulai saeengges anjeuna maratkeun pendidikana malai diménta keur bergabung di nahdatul ulama tapi ieu bertentangan jeung aspirasi Gus Dur salaku intelektual masarakat sarta dua kali nolak tawaran asup ka Majelis Penasehat Agama NU. Tapi, ahirna Gus Dur asup ka DPR sanggeus akina Bisri Syansuri méré tawaran katilu. Lantaran nyandak pagaweanieu, Gus Dur ogé milih pindah ti Jombang ka Jakarta sareng netep di dinya. Salaku anggota Majelis Penasehat Agama, Gus Dur ngajadikeun dirina minangka pembaharu NU. Dina waktu éta, loba masarakat anu ningali NU salaku organisasi dina kaayaan stagnasi atawa eweh perkembangan. Sanggeus diskusi, Majelis Penasehat Agama ahirna ngawangun Tim Tujuh (kaasup Gus Dur) pikeun ngagarap masalah reformasi jeung ngabantu ngahirupkeun NU. Reformasi dina organisasi kaasup parobahan kapamimpinan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9423", "text": "Saha nu teu kenal ka Chef Juna? Anjeunna mangrupikeun salah sahiji koki anu kasohor di Indonesia. Upami anjeun gaduh cita-cita janten koki anu kawentar jagona, ieu aya sababaraha lengkah anu anjeun tiasa lakukeun pikeun janten koki anu jago. Kahiji, urang kudu boga kacintaan sarta minat dina dunya kuliner. Ieu mangrupikeun pondasi utama pikeun janten koki anu jago, sabab janten koki sanrs ngan ukur masak, tapi ogr gaduh gairah sareng dedikasi anu luhur kana dunya kuliner. Kadua, kudu meunangkeun pangaweruh jeung kaparigelan dasar dina masak ngaliwatan rupa-rupa sumber, saperti kursus-kursus kuliner atawa palatihan, komo ku gawe jadi asisten koki di restoran atawa hotel. Katilu, anjeun kudu salawasna terbuka kana pengetahuan anyar jeung mekarkeun kaparigelan dina dunya kuliner. Ieu tiasa dilakukeun ku nyobian masak rupa-rupa masakan anu teu acan kantos dicobian sateuacanna, atanapi ku ngiringan pelatihan kuliner atanapi seminar-seminar. Kaopat, koki anu tiasa dipercaya oge kedah gaduh kaahlian manajemen waktos anu sae, oge kamampuan damel dina tekenan sareng nanganan kaayaan anu lumangsung di dapur. Terakhir, koki anu tiasa dipercaya jeung ngagaduhan kamampuan anu luhur kedah gaduh kapribadian anu ramah sareng sopan, sareng gaduh kaahlian komunikasi anu sae pikeun tiasa damel sareng timna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8110", "text": "Supados aman, awet, tur merenah upami anyar meuli laptop teh aya babaraha perkawis nu kudu diatur. Babaraha perkawis nu kudu diatur nyaeta, kahiji update sistem operasina. Biasana upami meuli laptop anyar sistem operasina tos lila janten kudu diupdate ka versi nu leuwih anyar supados tiasa menangkeun fitur-fitur anyar sareng mastikeun sistem operasi nu dianggo teh aman. Kadua nyaeta ngahapusan bloatware. Bloatware teh sebutan pikeun software bawaan nu tos ka instal di laptop nanging biasana tara dianggo. Ngahapus bloatware ieu tiasa nambihan penyimpana dina laptop. Katilu, pastikeun antivirus hurung. Dina babaraha sistem operasi sapertos windows 10 tos aya antivirus bawaan nyaeta window defender nanging leuwih hade deui upai ditambihan ku antivirus pihak katilu ngarah leuwih aman. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4972", "text": "Salad buah jadi salah sahiji camilan paporit abdi. Dijieun na gampil, kur tinggal ngeureutan rupi-rupi bungbuahan tuluy di banjur make vla. Tah, vla na ieu nu kudu di racik teh. Racikan na nyaeta yoghurt, susu kental manis, jeung susu susu murni. Katiluan bahan eta diadukeun sing rata, tuluy di kucurkeun kana luhureun bungbuahan. Camilan ieu seueur pisan gizi nu mangpaat jang kasehatan. Malahan mah dokter ge sok ngarekomendasikeun ieu camilan kanu rek program diet. Ieu camilan alus pisan jang kasehatan, komo mun bungbuahan nana nu dilobakeun. Yuk ah baraya ti ayeuna urang cobian pola hirup sehat ku mimiti ngaganti camilan aya minyakan ku camilan nu sehat jiga salad buah ieu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "909", "text": "Hay Day salah sahiji game nu alus ngeunaan tatanen. Game simulasi tatanen ieu bisa jadi ajang urang belajar kumaha cara ngolah taneuh, miara tutuwuhan, jeung ngajual barang-barang ka babaturan jeung tatangga dina game ieu. Salian ti eta, game ieu oge bisa ngawangun kota, dermaga, jeung sajabana kumaha kahayang urang. Game ieu salah sahiji game ngameh urang bisa diajar kumaha carana tatanen teh, nepikeun mun geus jadi bisa dijual atawa dikonsumsi. Sanajan bentukna game, tapi sahenteuna mere gambaran cara ngolah bahan-bahan tatanen. Salian tatanen, didieu oge miara hewan siga sapi, domba, jeung hayam, anu pastina beda-beda cara ngarawatna. Game ieu cocok mun dimaenkeun ku barudak leutik meh apal kumaha cara tatanen teh. Jadi salian ti maen game oge jadi media jang diajar.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2636", "text": "Baskét, naha baskét? Tah, awal-awal carita, kuring resep kana olahraga ieu kusabab hayang katingalina keren, hebat, jeung tangguh (sabab di mata rumaja Indonesia, basket teh salah sahiji olahraga anu diidolakeun, hehe). Tapi tétéla yén naon anu anjeun kéngingkeun saatos ngerjakeun éta langkung jero, langkung seueur latihan, langkung seueur waktos anjeun nyéépkeun pikeun ngerjakeun éta, langkung seueur anjeun bakal ningali nilai-nilai kahirupan. Nilai hirup? Leres leres nilai kahirupan, naha anjeun kantos nguping kutipan ngeunaan baskét anu nyarios \"Kuring masihan sapertos kuring lulus, kuring lumpat siga arah kuring ka ring, kuring luncat kusabab aya kasempetan anu kuring kedah rebut, kuring némbak sabab kuring boga target, kuring ngagolér sabab kuring mastikeun kuring bisa ngahontal tujuan kuring, kuring lumpat ka arah anu sarua tapi balik deui pikeun ngajaga imah kuring, kuring nyoba ngaliwatan lawan kawas keur dribbling bal, sarta dunk kawas Kuring geus ngahontal pangluhurna\".", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1161", "text": "Daek teu daek pastina urang bakal diajar manajemen waktu mun gawe di kantor teh. Soalna asup kantor ku absensi, deadline tugas, nepikeun ka janjian jeung klien oge ulah telat. Tuluy pastina bakal loba hubunganna jeung loba jelema, boh eta anggota divisi, divisi sejen, nepikeun ka manajer, jeung klien. Sacara teu langsung urang bakal boga kamampuan komunikasi nu alus jeung bakal kalatih ku gawe kantoran nu ku urang leukeunan. Urang oge bakal paham ngeunaan bisnis, sabab urang aya dijerona tangtu bakal leuwih ngarti ngeunaan bidang naon nu ku urang cepangan. Misalna urang di divisi sekretaris, urang bisa ngatur waktu jeung klien, tuluy leuwih bisa nyanghareupan jelema-jelema nu beda-beda karakterna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2406", "text": "Ayeuna, tari piring geus jadi milik masarakat sarta mindeng dipigawé dina resepsi kawinan. Kamekaran gerak tari piring ogé geus robah, tapi masih ngagunakeun undak-usuk silat Minangkabau. Dina awalna, tari piring dilaksanakeun ku para penari ku cara nyekel piring dina dua leungeun. Kamajuan salajengna ku nempatkeun lilin dina piring. Penari kedah ngusahakeun ngaduruk lilin dugi ka tarian réngsé. Sairing jeung robahna jaman, tari piring ogé tumuwuh. Nalika tarian dilaksanakeun di resepsi kawinan, sababaraha piring disusun di hareup panganten awewe jeung panganten lalaki sarta penari awéwé walks on aranjeunna sarta ngajaga piring teu megatkeun. Kaayeunakeun kamegahan tari piring ditambah ku aksi anu rada ekstrim, nyaeta ku nincak kaca pecah. Saha waé bakal kagum sareng sieun ningali atraksi penari.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1627", "text": "Di angkot biasana muat ku 14 nepikeun ka 15 orang maksimalna. Gumantung kana gede henteuna ukuran awak penumpang. Contona wae dihareup gigireun supir bisa dua urang mun awakna laleutik mah. Di tukang hareupeun panto asup angkot bisa dieusian ku 7 orang, mun digigireun panto asup bisa dieusian ku lima orang. Tapi biasana sok aya tambahan bangku di deukeut panto asup nu bisa dieusian ku saorang. Di jero angkot biasana sok nyetel lagu-lagu, sakapeung mah si speakerna teh aya di paling juru angkot deukeut penumpang. Tapi urang oge pernah aya angkot nu mawa TV, jeung boga desain nu modern jerona. Si korsina oge beda, mun biasana mah make korsi busa, ieu mah ditilaman deui.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5467", "text": "Mun jalan-jalan ka daerah Pekalongan, tong hilap kedah meser panggang jang oleh-oleh tatangga. Panggang nyaeta lauk nu diasakan ku cara dihaseup sapeupeuting nepi ka asak. Warna panggang teh nyaeta cokelat semu hideung. Biasana panggang teh sok dijieun tina lauk tongkol atawa deles. Panggang diolah ku cara digoreng heula tuluy nyieun bumbu cikur. Geus kitu ancurkeun eta panggangna, tuluy hijikeun jeung toge nu can jadi. Rasana boga khas sorangan, garing semu rada seungit dangdaunan dibeuleum. Panggang teh jadi ciri khas Pekalongan sabab dituangna nu jeung toge can jadi. Oge sakapeung sok aya nu make kurupuk usek, kurupuk nu rasana asin semu amis.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3911", "text": "Katel atawa atawa kudu dijieun tina bahan tahan panas. Supaya nalika disimpen dina kompor atanapi katel atawa wajan teu jadi ruksak. Katel dijieunna tina logam, aluminium, jeung nu paling umun nya ti stainless steel. Tina sakabéh bahan anu dipaké pikeun nyieun katel atawa wajan, kabéhanana miboga hiji hal anu sarua, nya éta sipat konduktor dina bahana. Bahan ieu dipilih sabab mangrupakeun konduktor alus atawa konduktor panas. Salian ti jadi konduktor, bahanna ogé dipilih lantaran leuwih gancang ngirimkeun panas jadi masak bisa leuwih cepet jeung panas anu di hasilkeun di bahan konduktor bisa bertahan lewih lila jeung biasana panas na rata. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7066", "text": "Isra Mi'raj nyaeta dua lalampahan anu dilakukeun ku Nabi Muhammad SAW dina hiji peuting. Kajadian ieu mangrupikeun salah sahiji kajadian anu penting pikeun umat Islam. Sabab, dina acara ieu Kangjeng Nabi Muhammad meunang parentah ngalaksanakeun solat lima waktu sapoe sapeuting. Isra Mi'raj lumangsung dina mangsa ahir kenabian di Mekah, samemeh Nabi Muhammad hijrah ka Madinah. Numutkeun al-Maududi sareng mayoritas ulama, Isra Mi'raj lumangsung dina taun kahiji sateuacan hijrah, nyaeta antara 620-621 M. Nurutkeun al-Allamah al-Manshurfuri, Isra Mi'raj lumangsung dina wengi 27 Rajab dina taun ka-10 kenabian, ieu nu paling populer. Kajadian ieu jadi lalampahan bersejarah oge janten titik balik dina bangkitna deui da'wah Nabi Muhammad SAW.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3963", "text": "Di orchid forest cikole ternyata teu ngan aya hutan pinus tapi aya , 157 spésiés anggrek ti sakumna dunya bisa tumuwuh jeung mekar lantaran hawa hawa Lembang anu tiis tur beresih. Henteu ngan minangka tempat budidaya, Leuweung Anggrek Cikole ogé diwangun kalayan sagala rupa fasilitas, mimitian ti wewengkon tumuwuh anggrek nepi ka petualangan outbound (yup, aya wisata outbound dieu) sarta ogé eco-education. Sanajan tempat tiis ieu can 100% réngsé, anjeun masih bisa ngarasakeun rupa-rupa fasilitas metot séjén, kayaning sudut kopi, lawang artistik, wewengkon outbond, wewengkon piknik, tempat kaulinan, taman bacaan barudak jeung loba batur. Sareng pikeun anjeun anu ngumbara ogé Instagrammers, tempat ieu mangrupikeun surga. Aya seueur spot fotogenik pikeun selfies kalayan latar panorama anu héjo sareng éndah. Teu bisa dipungkir yén tempat ieu téh sabenerna éndah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8901", "text": "Dina hiji mangsa kuring pernah ningal hiji acara dina TV anu eusina nga iklankeun hiji barang teknologi anu kawilang canggih nyaeta setrikaan uap. Kacida kuring kataji ku eta barang. Malahan lain kataji wungkul, kuring hayang miboga kulantaran fungsi eta setrikaan anu matak pikabitaeun. Nyetrika teu hese, sakali ngusap langsung rapih. Malahan teu merlukeun alat pikeun alasna. Baju cukup digantung make gantungan baju, bisa langsung digosok, langsung rapih. Moal aya istilah baju tutung alatan suhuna panas teuing. Estu pikeun ibu-ibu mah miboga barang ieu teh kacida ngabantu pisan. Ngan hanjakal, hargana mahal keneh. Can kahontal ku pangaji kuring nu saukur pagawe biasa. Mugi-mugi ka payun Allah marengkeun eta barang bisa kapimilik ku kuring.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2379", "text": "Jaman baheula, masarakat nyieun baliung atawa patik pikeun ngagampangkeun pikeun nebang tangkal anu gedé. Pakarang tradisional ieu, anu biasa disebut kampak, gaduh dasar kampak diaméterna kandel sareng gagang panjangna 30-35 cm. Nepi ka ayeuna, pakarang anu kokoh jeung panon seukeut ieu masih populer jeung mindeng dipaké ku masarakat pikeun ngalaksanakeun pagawéan sapopoé. Saterusna, Arit Gun nu hiji ieu meureun geus mindeng kadéngé jeung dipaké ku rupa-rupa golongan masarakat, utamana nu gawéna salaku patani. Senjata anu biasana dipaké pikeun motong tutuwuhan ngabogaan sabeulah melengkung kawas bulan sabit sarta pohara seukeut, sahingga mujarab pikeun motong jukut. tah eta alat nu ayeuna malah dipake jang kahirupan sapopoe.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6698", "text": "Jengkol jeung peteuy biasana janten dahareun karesep kolot, budak ngora mah biasana isin lamun ngadahar peteuy jeung jengkol lantaran bau na anu nyegak jeung bisa ngajadikeun bau baham. Padahal peteuy jeung jengkol tiasa janten dahareun anu nikmat lamun tiasa ngolahna. Cara ngolah jengkol supados teu bau nyaeta dikeeum ku cai tilas ngumbah beas, beuki lila beuki sae. Jengkol biasana ngan dijadikeun dengeun tambihan sabab lamun seeur teuing dahar jengkol oge teu sae kanggo kasehatan. Jengkol paling ngeunah didahar dicocol sambel jeung sangu haneut atawa tiasa oge dipasak janten semur jengkol. Upami tos beres ngadahar jengkol, aya sababaraha cara supados baham teu bau jengkol nyaeta nyikat huntu, ngaleeut enteh hejo, atau dahar bungbuahan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4933", "text": "Kafe Sigwir nyaeta salah sahiji kafe nu aya di dago atas, Bandung. Kafe ieu jadi karesep budak ngora sabab pemandangan na nu endah pisan. Pami siang katingal bumi-bumi nu aya di kota Bandung Raya jeung pagunungan nu ngabentang ngurilingan Bandung Raya. Upami wengi katingali lampu-lampu kota nu renyek tapi endah pisan. Udara na sejuk jeung asri pisan nu tatangkalan, jah tina polusi jeung gandeng kandaaan. Pokokna ieu kafe cocok pisan kangge ngerjakeun tugas, ngobrol diskusi organisasi, atanapi nongkrong santai. Nu teu acan pernah, wajib pisan nyobian ngopi di ieu tempat. Dijamin moal kaduhung pasti bakal deudeuieun! Ngantosan naon deui, yuk geura cobian!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9434", "text": "Dahar sayuran sareng buah penting pisan pikeun kasehatan urang. Sayur sareng buah ngandung seueur vitamin, mineral sareng serat anu dipikabutuh pikeun awak urang tetep sehat sareng seger. Upami urang sering tuang sayuran sareng buah, maka urang bakal terhindar tina sagala rupa panyakit sapertos obesitas, diabetes, sareng panyakit jantung. Sajaba ti eta, sayuran jeung buah oge ngandung antioksidan anu bisa ngalawan radikal bebas sarta nyegah penuaan dini. Sayuran jeung buah oge miboga mangpaat kanggo menu diet sehat. Janten, pastikeun pikeun rutin ngalebetkeun sayuran sareng buah dina unggal diet urang unggal dinten. Hayu urang hirup sehat ku cara nuang sayur jeung buah!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6692", "text": "Jaman ayeuna barang-barang nu tadina sumber energi na tina panas seneu robah janten sumber energi na ti listrik, salah sahijina nyaeta kompor. Kompor anu tadina nganggo energi panas tina seneu nu dihasilkeun tabung gas ayeuna bisa digentos ku listrik. Kompor listrik sapertos namina teu kedah nganggo gas deui upami bade dianggo masak, jadi resiko gas bocor moal aya di kompor listrik mah. Tapi kompor listrik butuh waktos langkung lami ti seneu biasa kanggo manaskeun pasakan, akhirna listrik anu dipake oge kedah seeur. Upami urang bade ngangge kompor listrik, saena urang tingal heula kabutuhan urang, lamun sakirana bakal sering masak jeung seeur jumlahna kompor listrik teu tiasa dijadikeun pilihan lantaran energi nu dikaluarkeun kompor listrik kanggo ngahasilkeun panas kirang sae kanggo alam.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "577", "text": "Umumna tari topeng mibogaan lima peran nu dipaenkeun ku topeng-topeng anu beda. Jadi tiap topeng bakal mibogaan karakter jeung gambaranna sorangan. Nu kahiji, topeng panji nu ngagambarkeun ngeunaan hiji jelema nu aya dina kondisi suci jeung karek borojol ka dunya. Nu kadua topeng samba anu ngagambarkeun ngeunaan hiji jelema nu keur asup kana fase budak leutik. Nu katilu topeng rumyang anu boga makna ngagambarkeun hiji jelema nu geus asup kana usia rumaja. Nu kaopat topeng tumenggung nu mibogaan makna ngeunaan hiji jelema nu sifatna teges jeung boga budi anu luhur. Nu terakhir topeng kelana, bedana topeng ieu justru leuwih ngagambarkeun hiji jelema nu mibogaan sifat ambekan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4573", "text": "Faktor anu di pikaresepeun dina games ieu nyaéta nalika anjeun janten pamimpin anjeun tiasa kéngingkeun XP sareng koin sabisa-gancang, ngalengkepan seueur prestasi supaya tingkatan atawa level games anjeun gancang naek atawa ningkat, dilegakeun daérah pertanian sareng kota na jadi leuwih luas jeung loba deui. Sedengkeun pikeun anjeun anu sosialisasi, Hay Day tiasa disambungkeun kana Google Play sareng Facebook supaya anjeun tiasa ngajak réréncangan maén bareng atawa lamun ngagame istilahna mabar. Kalayan fitur anu ges aya, anjeun ogé tiasa nambihan réréncangan énggal salian ti Facebook. Babarengan jeung réréncangan, anjeun ogé bisa ngarengsekeun sagala rupa kagiatan anu aya sapertos derby sareng parahu walungan kargo.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2803", "text": "Faktor panas boga peran penting dina oven listrik, utamana dina nyieun rupa masakan. Dimimitian ti ninggang, ngamanaskeun atanapi ngagaringkeun bahan pikeun masak. Unggal oven listrik boga variasi béda tina unsur panas. Sababaraha di handap, ngan di luhur, atawa duanana. Ieu tip pikeun milih oven anu leres. Janten langkung praktis sareng ekonomis, anjeun kedah milih oven listrik kalayan elemen pemanasan luhur sareng handap. Anjeun tiasa mastikeun katepatan suhu panas ngaliwatan tombol setelan. Hanjakal, sacara umum, pamakéan oven listrik merlukeun loba listrik. Lamun oven listrik meakeun teuing listrik, anjeun salaku pamaké bakal sangsara épék.Anjeun kudu mayar tagihan listrik nu geus bareuh alatan pamakéan oven listrik. Ku alatan éta, oven listrik low watt mangrupa pilihan katuhu pikeun anjeun, sabab leuwih aman tur praktis.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7143", "text": "Jaman baheula, di daerah Padang, Sumatera Barat, hirup hiji randa ngaranna Mande Rubayah jeung anak lalaki ngaranna Malin Kundang. Mande Rubayah nyaah pisan jeung manjakeun Malin Kundang. Malin mangrupakeun budak anu rajin tur nurut. Malin nu geus dewasa, menta idin ka indungna pikeun indit ngarantau ka luar nagri ka dayeuh, sabab harita aya kapal badag nu ngalabuh di Basisir Air Manis. Malin hoyong ngarobah nasib kulawargina. Di dayeuh, Malin sukses teras nikah jeung putri saudagar anu beunghar. Pas balik deui ka kampung na Malin patepang jeung ibuna tapi te daek ngaku ibuna sorangan. Indung Malin teras ngutuk Malin janten batu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "40", "text": "Salah sahiji minuman nu viral nyaeta Dalgona Coffee. Minuman ieu asalna ti Korea. Pas keur viral taun 2020 keur mimiti usum corona, masih jarang nu ngajual nu geus jadi, jadi urang inisiatif nyieun di imah meuli bahan-bahanna di minimarket. Bahan-bahanna mah simpel babari dipanggihan di minimarket ge, nyaeta kopi hideung, gula, cai panas, susu cair, jeung es batu. Proses nyieunna oge sabenerna sakeudeung, nu penting aya mixer. Tapi urang teu make mixer, jadi ku urang digalokeun manual pake saringan, prosesna jadi lila pisan, jeung pangpangna mah cangkeul leungeun. Nepi gantian ngagalokeunna jeung lanceuk urang. Aya kana 10 menitan ngagalokeun, geus mulai kentel si kopi na. Tuluy diasupkeun kana gelas nu geus aya susu cair jeung es batu. Rasana ngeunah jeung nagih. Aya kana 3 kalian urang nyieun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6524", "text": "Salah sahiji tanaman anu loba dipelak diburuan imah atawa pakarangan imah teh nyaeta tangkal sampeu. Tangkal sampeu teh bisa loba kaarah ti beuti jeung pucuk daunna. Tangkalna teh bisa babari pisan dipelakkeun, tinggal dialungkeun wae kana taneuh, ke ge jadi da tumbuhna ge make sistem stek batang. Tangkalna ngajulang luhur pisan, nyabang soten batangna lamun dipiteuskeun heula keur mimiti tumbuh. Beutina teh sok diarah dijadikeun bahan dahareun, kitu oge pucuk daun ngorana sok diundeur pake lalab seupan. Beutina teh bisa kaala mun geus umur sataun, terus daun na mah bisa dipetik wae da sok tumbuh deui dina waktu saminggu ge.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2709", "text": "Mimitina kuring ogé mikir yén pulisi nyobian ngaminimalkeun poténsi karusuhan sabab aya pendukung bonek sareng arema dina hiji arena. Nanging, nalika kuring diajar warta di luhur, asumsi kuring langsung robih. Mun dina posisi bonek mah, logis mun teu asup ka stadion kanjuruhan mah jiga asup ka kandang maung. Leuwih atawa kurang basajan kawas éta. Dina konteks henteuna Bonek di Stadion Kanjuruhan, sahenteuna nyarupaan pertandingan maén bal di Inggris saatos tragedi Heysel. Otoritas anu aya kaitan langsung ngaréngsékeun masalah ku cara ngajaga tim tamu ketat, khususna pendukung, ngalangkungan fasilitas khusus. Sapertos lawang sareng nangtung kalayan pager anu luhur.\r\nSajaba ti éta, aparat kaamanan ogé ngalaksanakeun sweeps ngalawan provokator. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1555", "text": "Hirup di Indonesia anu kentel kana budayana, teu bisa individual. Kitu oge pas urang tatanggan jeung batur. Sanajan tatangga urang lain dulur atawa ti getih turunan anu sarua, tapi urang tetep kudu ngajaga hubungan baik jeung maranehanana. Komo deui mun urang keur ngarantau di daerah batur, ieu kudu dijaga pisan. Lamun aya nanaon oge pasti urang bakal menta tulung ka tatangga nu paling deukeut. Kitu oge manehanana, mun aya nanaon pasti mimiti menta tulungna teh ka urang. Sanajan teu unggal poe bisa panggih lantaran sibukna pagawean, nu penting mah bisa silih komunikasi, mun isuk-isuk nyapa, atawa mun teu ngahaja papanggih di jalan usahakeun urang nu nanya tiheula.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8044", "text": "Greysia Polii nyaeta saurang pamaen badminton Indonesia anu geus ngarekam prestasi rongkah dina karirna. Aya sababaraha alesan naha urang ngaidolakeun Greysia Polii jadi loba. Greysia Polii geus meunang sagala rupa panghargaan jeung prestasi dina karirna salaku pamaen badminton, diantarana medali perunggu di Olimpiade Rio 2016 jeung medali emas Olimpiade Tokyo 2020 (bareng jeung pasanganna, Apriyani Rahayu). Sajaba ti eta, manehna oge geus meunang sagala rupa turnamen jeung kompetisi sakuliah dunya. Greysia Polii katelah pamaen anu rajin pisan sareng dedikasi dina latihan sareng persiapan sateuacan pertandingan. Anjeunna oge dikenal salaku pamimpin tim anu sae sareng sok masihan dorongan sareng motivasi ka batur-batur tim na. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7212", "text": "Mie Kocok Bandung, kadaharan has Bandung anu dijieun tina mie anu dicampurkeun jeung kaldu sapi jeung ditambahan ku bungbu sejenna. Disebut mie kocok lantaran cara masakna nyaeta dikocok dina centong beusi bolong-bolong teras dicelupkeun ka langseng anu aya kalduna. Mie Kocok Bandung biasana disajikeun sareng kikil sapi anu dipotong-potong leutik kotak-kotak, cokor sapi, tetelan sapi, toge, jeung bawang goreng. Mie Kocok Bandung biasana diemam sareng kerupuk jeung sambel cabe. Mie Kocok Bandung biasana ngangge emih koneng gepeng anu gaduh tekstur leuwih lembut. Mie Kocok Bandung mangrupa salah sahiji kadaharan khas Bandung anu loba dipikaresep ku urang Bandung. Lamun ulin ka Bandung tong hilap nyobian Mie Kocok.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "171", "text": "Sabari rebahan mIndengna mah sok dipake maen sosmed, siga muka Instagram, WhatsApp, Facebook, jeung Tiktok. Ngameh teu jenuh. Instagram biasana dipake jang ningali kahirupan babaturan keur naon wae. WhatsApp dipake jang ngobrol jeung babaturan. Facebook dipake jang neangan promo, sabab urang loba asup ka grup infromasi Promo. Lamun Tiktok urang sok make jang ningalian naon wae nu keur rame/viral ayeuna. Salian muka sosmed, urang oge sok mukaan e-commerce, contona Shopee, Lazada, Tokopedia. Sabenerna mah ieu racun, sabab sok jadi boros. Mindeng meuli barang nu padahal mah teu dibutuhkeun. Tapi aya kabagjaan sorangan lamun balanja teh, komo lamun meunang promo. Kagiatan luang ieu bisa urang lakukeun ti isuk nepi peuting ge, ngan modal HP di kamar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5804", "text": "Basa poe Minggu kamari Andi jeung Rina nonton pertandingan silat nu dilaksanakeun di GOR Gotong Royong Kabupaten Subang. Pertandingan silatna digelar kangge siswa atawa pelajar SMA sakabupaten Subang. Andi jeung Rina nonton babaturanna nu tanding harita. Pas nonton pertandingan, Rina jrung Andi teh kabagean tribun nu paling hareup sabab penontonna ge sepi, ngan kabilang aya sababaraha puluh penonton. Keur babaturanna tanding, Rina sibuk nyuporteran, mun Andi sibuk ngavideokeun babaturan kabanggaan nana. Hasil pertandingan nunjukeun babaturanna teu lolos ka tahapan selanjutna. Andi jeung Rina tuluy ngucapkeun selamat jeung semangat we ka babaturanna. Geus kitu mah tuluy we indit uih deui ka bumi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9518", "text": "Nulis mangrupikeun hobi anu sae pikeun kasehatan mental urang. Dina proses nulis, urang bisa ngedalkeun pikiran, perasaan jeung gagasan urang leuwih jelas tur dina cara anu teratur. Ieu tiasa ngabantosan urang pikeun ngolah pikiran sareng ngirangan setres. Nulis oge tiasa ngabantosan urang ningkatkeun kamampuan komunikasi. Nalika urang nulis, urang tiasa ngajalajah pikiran sareng parasaan urang langkung jero, anu tiasa ngabantosan urang leuwih ngartos ka diri sorangan sareng ningkatkeun kapercayaan diri. Sajaba ti eta, nulis oge bisa mantuan urang nguatkeun memori jeung konsentrasi. Sababna, di waktu urang nulis, urang kudu fokus kana naon anu urang bade ditulis jeung ngemut-ngemut informasi anu relevan jeung tulisan urang. Janten, hayu cobi ngamimitian nulis rutin sangkan ngarasakeun mangpaat pikeun kasehatan mental urang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "839", "text": "Dina olahraga, urang bisa ngagunakeun rupa-rupa alat jang ngadukung gerakan latihan. Salah sahijina nyaeta alat nu mindeng dipake teh bola gym. Bola gede nu dijieun tina bahan karet ieu biasa dipanggihan dina olahraga yoga. Salian ti jang olahraga yoga, bola gym oge bisa digunakeun jang gerakan olahraga sejenna. Ngagunakeun bola gym ieu tangtuna mibogaan mangpaat jang awak. Nu mimiti nyaeta bisa nguatkeun otot awak. Mun anu kadua nyaeta jang ningkatkeun fleksibilitas. Nu katiluna jang ningkatkeun kasaimbangan. Ngan diuk di luhur bola gym, geus bisa ngalatih otot-otot jang ngajaga awak meh stabil. Nu terakhir bisa nyehatkeun tonggong jeung tulang. Sabab pas keur ngalakukeun pemanasan, bola ieu bakal ngadukung tonggong bagian handap.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5484", "text": "Basa samen jeung kenaikan kelas, Anjani ngiringan tampil ngabawakeun tari jaipong. Tari Jaipong nu aya di sakola teh dikoordinir ku ekskul tari nu dibimbing ku guru seni budaya. Biasana unggal aya acara sakola pasti we aya penampilan tari Jaipong, termasuk samenan atawa kenaikan kelas. Tah Anjani nyiapkeun latihan tarina genep bulan samemeh samenan, sabab taian naoge kabilang teu gampang. Anjani antusias pisan dina latihan nana sabab teu karasa tos satengah bulan deui penapilanna dipentaskeun. Anjani atoh campur deg-degan sabab bisi salah gerakan. Tapi Anjani tep optimis jeung semangat ngajalani latihan tarina. Anjani emang hobi pisan dina bidang tari ti leutik mula.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4138", "text": "Agama naon wae pasti boga ajaran anu eusi na kabajikan, Lamun di islam hususna aya anu di rayakeun nyaeta idul qurban. Idul qurban ngajarkeun urang sarerea kudu leuwih besyukur kana kaayaan anu aya. Idul adha atawa idul qurban ngajarkeun urang bahwa loba keneh jelema anu hidupna loba kakurangan, anu dahar wae ge hese. Idul Adha ogé bisa dihartikeun pikeun urang kudu bisa naekeun rasa empati jeung miara ka batur. Pikeun jalma anu mampuh, teu aya salahna pikeun berkurban ameh bisa babagi ka jelema anu teu mampu. Jadi bisa nyisihkeun saeutik tina rezeki urang kan eweh salahna, aya papatah anu nyebutkeun yen dina sakabeh rezeki anu jadi milik urang teu sakabehna milik urang tapi aya oge rezeki batur di jerona.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2753", "text": "Henteu lengkep upami anjeun nyobian HP POCO F4 GT upami anjeun henteu nyobian maén game. Panulis ogé nyobian maén Genshin Impact. Kalayan prosésor Snapdragon 8, LPDDR5 RAM, 256GB UFS 3.1 ROM, sareng tingkat refresh adaptif, pangalaman kaulinan dina POCO F4 GT karasa pisan lancar sareng teu aya masalah. Nalika maén kaulinan pikeun ampir 30 menit, solokan kakuatan ngan 10 persen. Hp ogé ngan ukur haneut saeutik sareng henteu ngaganggu kinerja pisan. Kanyaho yén HP POCO F4 GT memang dilengkepan ku fitur cooling LiquidCool 3.0 sahingga HP henteu gancang panas sarta tetep tangguh nalika dipaké pikeun maén game. Sanggeus tabuh 21.00, panulis jeung rombongan balik deui ka hotél pikeun istirahat. Hartina, pangarang geus ngagunakeun handphone salila kurang leuwih 12 jam. Narikna, nalika kuring anjog di hotél, kakuatan batre handphone masih 60 persen ditinggalkeun. Ku kituna, sanggeus sapoé pamakéan, kakuatan batre ngan 33 persen Ngurangan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3942", "text": "Tempat wisata alam gunung galunggung teu eleh alus na ku tempat wisata lianna. Pemandagan alam na nu endah, jeung loba fasilitas lain na ngadukung gunung galunggung jai destinasi favorite lamun keur ulin ka tasik. Harga asup ka wisata gunung galunggung per orang tujuh rebu rupiah eta teh ges termasuk sagala na. Urang bisa berenang, bisa foto-foto, bisa dahar baru nikmatkeun pemandangan. Di wisata alamgunung galunggug ieu oge bisa bawa bekel ti imah jadi bisa mun erek liburan irit tapi nyenangkeun jadi teu kudu meuli. Tapi lamun teu mawa bekel oge loba tuakng dagang ti sangu, mie bakso jeung sajabana jadi moal bakal kalaparan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "446", "text": "Sanajan mibogaan tujuan nu sarua, nyaeta babagi, sedekah oge kabagi jadi sababaraha jenis. Nu kahiji materi contona mere duit, dahareun, inumeun, atawa takjil pas buka puasa ka batur nu keur puasa mangrupakeun conto sedekah materi nu artina merekeun hiji hal nu mibogaan wujud ka nu sejen. Nu kadua sedekah non materi, lamun teu mampu dina bentuk materi, bisa oge sedekah non-materi. Sedekah ieu kaasup babari, nyaeta bisa mangrupa tanaga, pikiran, nasehat, atawa ngan saukur seuri ka batur oge kaasup kana sedekah ieu. Nu terakhir aya nu ngaranna sedekah jariyah, kautamanna nyaeta pahalana tuluy ngalir sanajan jelema nu sedekahna geus maot, sabab barang nu disedekahkeunna masih dimangpaatkeun. Contona ngabangun masigit, nyieun pasantren, jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2657", "text": "Lamun urang ngobrol ngeunaan badminton, nu datang ka pikiran urang Cina, Indonesia, Jepang jeung nagara Asia lianna. Naon anu urang pikir ngeunaan éta teu lian ti sabab olahraga ieu didominasi ku nagara Asia. Komo mun disebutkeun di Éropa mah ngan aya hiji nagara nu ngawasa badminton di dunya, nyaéta Dénmark. Anjeun tiasa nyarios Denmark (sareng Spanyol) mangrupikeun nagara non-Asia anu nyamar badminton sanés olahraga Asia anu lengkep. Sanaos wawakil Éropa tetep masihan warna dina unggal turnamen badminton internasional, éta tetep henteu populer sapertos olahraga sanés. Ku kituna naha ieu bisa lumangsung? Teu Diajar ti Kolot. Kalolobaan budak tumuwuh nepi di Éropa maénkeun olahraga béda. Nu matak, lolobana barudak \"warisan\" hobi olahraga kolotna. Tangtos seuseueurna jalmi-jalmi anu aya di buana tos teu maen badminton. Ieu ninggalkeun budak dina poék ngeunaan olahraga iyeu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5513", "text": "Mun nuju jalan-jalan di daerah Bandung, kedah pisan nyobian seblak Bandung. Seblak mangrupakeun kadaharan asal daerah Bandung nu kawentar kamana-mana. Komo budak ngora mah, hampir sadayana resepeun pisan kana seblak sabab rasana nu lada pisan. Seblak teh dijieunna tina kurupuk aci nu dimasak make bumbu cikur. Biasana seblak teh lada kacida. Ayeuna mah loba vareasi topingna, aya bakso, kikil, suki, sayuran, jeung sajabana. Seblak teh saolah geus jadi jajanan wajib budak ngora di mana-mana. Nepi ka unggal daerah ge aya tukang seblak, jeung payu wae deuih. Tong hilap mun ka Bandung kedah nyobian seblak original khas Bandung. Dijamin rasana bakal kaimpi-impi!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4225", "text": "Golok Ciomas atawa parang sulangkar mangrupa pakarang has ti Banten. Bentukna siga parang umumna. Ieu pakarang seukeut anu dipercaya mibanda kakuatan magis geus dipake ku jawara Banten ti jaman kasultanan. Ngaran ciomas dicokot tina wewengkon tempat dijieunna. Ciomas nyaeta salah sahiji kacamatan di Kabupaten Serang. Lokasina kira-kira 20 kilometer ti Kota Serang. Sanajan urang luar nyaho pakarang ieu salaku parang Ciomas, masarakat satempat nyebutna parang Sulangkar, disebutna sulangkar sabab bahan baku anu dipakena tina beusi sulangkar. Salungkar beusi ieu biasana dijadikeun satapak kareta delman kuno. Beusi Sulangkar dipercaya ngandung loba mangpaat atawa alus tuah pikeun nu bogana. Di antarana, gampang dipikanyaah, jeung, dihargaan ku batur. Masarakat Banten biasa nyebut parang teh istilah bedog. Golok nyaeta pakakas anu biasa digunakeun dina kagiatan tatanen jeung pertukangan. Golok ciomas nyaeta sajenis bedog husus dipake pakarang. Pikeun masarakat Banten umumna, parang ciomas dipercaya miboga ajén magis saperti keris pikeun masarakat Jawa. Parang ieu dijieun kalayan ritual husus sarta dipigawe dina waktu nu tangtu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6470", "text": "Rina mah gaduh tradisi unik jeung pasangan nana teh. Unggal ngalakukeun kasalahan, pasti we kudu aya hukuman nana. Harita ge suamina Rina teh ngajanjian rek ngumbah mobil sabab geus ledok pisan. Eh kalahka poho teu ngumbah, kalah ka maen game sapopoe. Rina meuni kesel pisan sabab suamina geus ingkar kana janjina, jadi we dibere hukuman. Hukumanna nyaeta dititah ngumbah mobil ditambahan ku ngumbah motor sorena. Rina nerapkeun hukuman ieu teh sabab suamina nu emang jalir. Tapi suamina ge ngarumasakeun, teu jadi jengkel kalahka seuseurian we. Tah ieu justru nu jadi konci kaharmonisan dina kaduana. Jadi, sagala teh dilakukeunna silih pantau jeung silih bantuan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2393", "text": "Abdi asli Solo. Dumasar kana hasil ngobrol jeung kulawarga jeung informasi ti tatangga anu geus lila cicing di dinya, ahirna kuring nyaho yen Solo teh beunghar pisan ku warisan kuliner. Upami kedah disebatkeun hiji-hiji sigana panjang teuing daptar anu kedah dilakukeun. Tina seueur oleh-oleh khas anu narik perhatian kuring nyaéta sababaraha jinis roti. Ieu sababaraha toko anu nyayogikeun rupa-rupa jinis roti legendaris di Solo: Orion Mandarijn Bakery caket Pasar Gede. Ieu bakery téh legendaris di Solo, nu geus dibuka ti taun 1932. Anu kasohor di warung kuéh Orion Mandarijn nyaéta roti mandarijn. Aya mandarijn biasa, mandarijn kismis, sareng mandarijn khusus. Disebutkeun yén roti digosok di toko Orion ogé modéren.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5504", "text": "Abdi ngahajakeun bade ameng ka Tasikmalaya supaya tiasa jajan bakso. Bakso di Tasik teh benten jeung bakso di daerah lain, rasana teh leuwih gurih jeung bumbuna enak pisan. Saosna ge lain saos cabe hungkul, tapi aya nu ngaranna saos bawang. Tah ieu pisan nu jadi daya tarik bakso di Tasik. Abdi indit ti imah isuk-isuk supaya bisa ngabakso pas tokona muka. Abdi ngabakso di bakso SR Jalan K.H.Z. Mustafa. Bakso didieu enak pisan, kalduna seungit, oge aya babat nu ngajadikeun ciri khas bakso didieu. Beres ngabakso, abdi meser deui jajanan sejenna jiga makroni basah, cakue, jeung cimol. Beres jajan abdi tuluy we uih deui ka imah sabab geus sore teuing.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "158", "text": "Basa ka Situ Cihaniwung kana motor ngabonceng babaturan, ieu pangalaman nu teu bisa dipohokeun. Sabab euweuh persiapan jeung teu apal jalan, kapaksa make google maps. Harita urang disasarkeun ku google maps, nepi aprak-aprakan ka kampung nu jalanna teh batu-batuan garede, ripuh pisan. Nanya ka warga-warga ge cenah mah sakeudeung deui nepi, apek teu nepi-nepi. Ari kaayaan cuacana geus sore jeung asa tereh hujan. Rada waswas kudu dituluykeun atawa balik deui, tapi harita dituluykeun weh da kagok. Nepi-nepi teh geus sore pisan, untungna teh masih buka. Pokona mun ulin kudu dipastikeun heula rute jalan kamana, ngameh teu nyasab. Jeung usahakeun inditna isuk-isuk ngarah lamun lila dijalanna oge teu keueung kaburu peuting.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9583", "text": "Mangsa bulan puasa, dina 10 poé pamungkas indung kuring sok remen nyieun rupa-rupa kadaharan. Ti mimiti kuéh, bolu, nepi ka rupa-rupa kiripik dijieun pikeun nyampakkeun nalika boboran syawal. Kuring remen ilubiung jeung mantuan indung nalika ngajieun rupa-rupa kadaharan éta. Sok rajeun indung kuring ngajak jeung nitah lamun kuring nyalsé mah. Sok sanajan kuring ngan mantuan nyétak adonan, kuring ngarasa bungah kacida mantuanna. Hiji waktu, nalika kuring mantuan nyieun bolu, kuring poho ngulaskeun minyak atawa mantéga kana loyang pikeun adonan, anu ahirna bolu nu di jieun dina hiji loyang éta rapet dina loyang jeung hasilna kurang alus. Tapi, sok sanajan kitu kuring tetep bungah meunang pangalaman anu bakal ngajadikeun deui leuwih ati-ati pikahareupeunna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3614", "text": "Sanajan kitu, pepelakan anu tumuwuh henteu kuat sakumaha anu tumuwuh dina taneuh. Kanyataanna, teu kuat ti grup kontrol dipelak dina bulan simulasi dijieunna tina lebu vulkanik. Ku diajar kumaha tatangkalan ngabales sampel lunar, tim peneliti ngaharepkeun pikeun ngajawab patarosan kadua ogé dina raraga muka jalan pikeun astronot hareup pikeun bisa tumuwuh tatangkalan-euyeub gizi dina bulan jeung mekar di luar angkasa. Tutuwuhan anu suksés dipelak nganggo taneuh bulan nyaéta Arabidopsis thaliana, pepelakan pituin Eurasia sareng Afrika. Éta baraya tina mustard greens jeung sayuran cruciferous séjén kayaning brokoli, kembang engkol jeung sprouts Brussel. Tutuwuhan dipilih kusabab ukuranana leutik sareng gampang tumuwuh. Éta mangrupikeun salah sahiji pepelakan anu paling ditaliti di dunya, dianggo salaku modél organisme pikeun panalungtikan dina sagala widang biologi tutuwuhan. Ku kituna, élmuwan geus nyaho kumaha gén kasampak kawas, kumaha eta behaves dina kaayaan béda, komo kumaha tumuwuhna di spasi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9378", "text": "Angkot asup kana salah sahiji kandaraan angkutan umum, tina ngaranna oge geus jelas yen angkot teh singkatan tina angkutan kota. Cara naek angkot mah gampang pisan, sateuacanna urang kudu hapal heula posisi urang jeung tempat nu bade dituju, ameh engke henteu salah naek angkot. Lamun geus apal rek naek angkot nu mana, urang nyetopan angkotna tuluy naek jeung diuk di korsi nu aya di dinya. Urang tinggal nungguan angkotnya jalan, saanggeus nyampe ka tempat tujuan urang tinggal nyebutkeun “Kiri”, engke amang sopirna bakal ereun sorangan. Teras urang kaluar ti angkot, tuluy mayar ka amang sopirna. Biasana lamun deukeut mah mayarna kur dua rebu rupiah, erek sadeukeut naon ge mayarna dua rebu. Lamun jauh tergantung kana jarakna. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8815", "text": "Barbel mangrupikeun alat latihan olahraga anu dianggo pikeun latihan beurat sareng angkat beurat. Barbel panjangna rupa-rupa ti 4 suku (1,2 m) nepi ka leuwih 8 suku (2,4 m), tapi biasana aya batang beusi leuwih panjang tibatan 2,2 méter (7,2 ft) anu biasana sok dipaké ku atlit. Bagian tengah batangna diaméterna ti 25 milimeter (0,98 inci) nepi ka 2 inci (51 mm), biasana dibuat pola silang pikeun ngaronjatkeun cekelan. Cakram beurat (piring) diselapkeun ka luar bar pikeun ningkatkeun beban total anu dipikahoyong. Beban ieu diamankeun sareng distabilkeun ku cincin pikeun nyegah ragrag nalika latihan anu tiasa nyababkeun tatu, atanapi barbel ragrag sareng ngalayang ka hawa kusabab beurat anu henteu sami.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6495", "text": "Ngadaki gunung teh jadi salah sahiji kagiatan anu dipikaresep pisan ku budak ngora zaman ayeuna. Dina ngalaksanakeun nana, butuh dua elmu utama dina nangtukeun perjalanan pendakian, nyaeta elmu navigasi darat jeung elmu jungle survival. Dua elmu ieu teh berguna pisan salian dina pendakian, oge dina hal terburuk selama pendakian. Misalna mun urang nyasab atawa teu apal arah, tah gunakeun elmu navigasi darat jang nangtukeun arah perjalanan. Terus lamun nyasab ge kudu pisan nerapkeun elmu jungle survival supaya bisa bertahan hidup di alam nepi ka bantuan datang. Tah kaelmuan ieu teh silih berkaitan hiji jeung sejenna sabab silih dukung jeung silih ngalengkapi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4538", "text": "Marengan mangpaat anu bisa dirasakeun dina olahraga ogé aya paningkatan resiko ngeunaan efek samping na olahraga nyaeta bisa ngalaman cedera, utamana cedera anu parah atawa berkepanjangan. Aya deui kagiatan olahraga nambahan kalayan cedera anu dibarengan ieu nyababkeun paningkatan paménta pikeun pangaweruh ngeunaan kumaha awak urang bisa ngabales atawa ngarespon gejala anu kajadian. Masarakat ayeuna geus maju ka kaayaan dimana aranjeunna henteu ngan ukur hayang nyaho kauntungan anu dirasakeun olahraga anu manehna geus pigawé tapi maranéhna ogé hayang nyaho dampak atawa resiko anu bisa di timbulkeun lamun olahragana teu bener nyaeta bisa cedera, jeung kumaha cedera bisa lumangsung sarta léngkah pangalusna anu bisa dicokot pikeun tambaan ngubahan atawa kumaha carana nyegah cedera ieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3851", "text": "Lamun di perhatikeun mah KFC Cafe nu di jalan veteran purwakarta teh masih kurang rame mun di bandingkeun jeung KFC biasa anu di sadang. KFC sadang mah sok rame wae rek wayah kumaha ge, tara pernah sepi malah sok di tutup paksa mun aya pengunjung anu keur dahar keneh ge. Tapi mun di tempo tina menu jeung hargana mah teu jauh beda, malah mun di bandingkeun tina tempat mah alusan KFC Cafe lewih luas jeung suasana kota na teh karasa. KFC sadang mah meren pedah di jero mall jadi loba wae pengunjung, anu tas balanja tea, atawa anu tas ulin terus lapar jeung haus pasti ka KFC. Beda jeung KFC Cafe nu di jalan veteran purwakarta mah, tempatna sorangan sisi jalan jadi asa kagok mun rek kadinya dahar teh. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3980", "text": "Naek kareta wisata lewih ka pilihan lamun jalan- jalan jeung kolot atawa budk leutik nya leuwih mending naek kareta wisata ieu. Jalan - jalan na jadi leuwih ringkes jeung cepet, lamun jalan jalan na bari lempang kan sok karunya ka kolot bisi capek kan teu bisa di buru buru mun jeung kolot mah, sarua jung mawa budak leutik daripada riweh kudu mangku atawa ngadorong stroller lewih mending naek ka kareta wisata. Lamun naek kareta wisata di pastikeun pisan eta tempat wisata pasti ka kunjungan kabeh lengkap moal aya nu kalimat, di tambah pasti di bere penjelasan jeung info atawa sejarah tempat anu di lewatan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7643", "text": "Barudak sakola atawa barudak anu balik ti masjid saatos ngaji pasti resep pisan jajan. Salah sahiji karesep barudak nyeta nginuman anu diical dina kap teras diblender jeung dipasihan toping. Komo kanggo barudak anu balik ti sakola siang-siang pas nuju panas pasti resep kana nginuman. Nginuman sapertos Pop Es, Marimas, Nutrisari oge teu ngabutuhkeun modal anu seeur. Hiji renteng nginuman biasana ngan lima rebu nepikeun sapuluh rebuan. Palastik oge teu pati awis. Kanggo es batu, lamun urang gaduh kulkas pasti bakal leuwih mirah deui lantaran urang tiasa ngadamel es batu nyalira ti cai galon opat rebuan. Usaha nginuman ieu gancang pisan jang muterkeun duit urang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2659", "text": "Dina hal popularitas badminton, bisa disebutkeun yen buana Asia resep pisan olahraga ieu pikeun buana Éropa, ngan di Inggris jeung Skandinavia, sedengkeun di Amérika pisan kirang populér malah kirang populér ti ténis. Kuring baris ngajawab naha badminton jadi populer di Asia, utamana di Indonesia, dimana olahraga ieu mangrupa olahraga pang populerna di nagara ieu. Olahraga badminton sabenerna asalna ti benua Asia, nyaéta ti India, tapi dimekarkeun di Inggris.\r\nUrang Asia ngabogaan wangun awak anu teu jangkung teuing sarta gerakan anu fléksibel pisan sahingga gampang pisan maén badminton.\r\nBadminton mangrupikeun olahraga anu pikaresepeun pisan. Seueur lampah anu diciptakeun dina olahraga ieu sapertos luncat smash, back hand, drop shot, drive fight sareng seueur deui sanés sapertos ténis anu condong monoton.\r\nBisa dicoo di mana waé di tempat indoor atanapi outdoor.\r\nolahraga nu mirah", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "125", "text": "Ecopark Curugtilu Rancabali, tempatna harejo loba tatangkalan, spot fotona ge rupa-rupa. Tempatna lega cocok jang sagala usia. Tapi pas urang kadinya masih keneh dibangun, loba sora palu nu diteunggeul kana awi. Parkiranna kurang rapih, jeung wajib nyimpen helm bari kudu mayar deui ka ormas nu ngelolana 5 rebu, teu kaasup jeung harga tiket 20 rebu. Ka toilet ge kudu mayar deui. Aya mushola nu geus disadiakeun, lengkep jeung mukena, sarung, jeung sendal jang wudhu. Cai curugna kotor, warna na semu coklat jeung hejo, sabab loba lukutna. Tukang dagang can maruka, ngan aya gerobakna hungkul. Nyadiakeun penginapan oge konsepna tinu awi, ngan hargana rada kamahalan 500 rebu. Tapi cocok lamun jang babakaran di halamanna, sisieunna aya kamalir.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4177", "text": "Satiap agama danu di akui ku nagara di indonesia pasti aya imah ibadahna keur para umat ngalakukeun ibadahna sacara bebas, teu meunang aya nu ngusik. Satiap agama ngabogaan imah ibadahna masing masing imah ibadah eta di wangun sesuai jeung fungsi tur kapercayaan dina agamana. Di jero imah ibadah eta, bisa di jadikeun loba organisasi anu bisa nyieun manfaat keur batur nu sejen. Imah ibadah di tiap tiap daerah aya nu di bangun sasuai jeung kabudayaan masarakat sakitar. Urang warga inonesia kudu ngajungjung toleransi kusabab hidup dampingan teu meunang salah salahkeun kudu hirup rukun jeung ngahormatan agama nu sejena, sabab kabeh agama ngajarkeun kabaikan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4559", "text": "Nongton pertandingan olahraga mere aura jeung rasa seru anu beda, rasa na urang milu ddeg deg an lamun ningali permainan jagoan urang, milu jejeritan lamun atlet karesep urang ngasupkeun goal histeris gogorowokan lamun meunang jeung mulu sedih sarta kacewa pastina lamun eleh, urang nongton pertandingan lahraga mimitina di sakola anu sok aya acaa anu ngrana porak (pern olahraga sekolah) eta teh biasana di ayakeun lamun geus ujian samemeh liburan jeung bari raport. Porak teh jadi refreshing barudak anu geus lieur ngahadepkeun soal ujian anu hararese jeung jadi wujud pangalihan rasa emosi anu dituangkeun kana hal hal positif nyaeta olahraga jeung nongton pertandingan olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "838", "text": "Mibogaan awak nu sehat mangrupakeun kahayang kabeh jelema. Salah sahijina bisa make alat olahraga nyaeta treadmill. Sabab alat olahraga ieu loba mangpaat jang kasehatan awak. Make treadmill bisa ngajaga kasehatan jantung ku sabab sistem dina mesin treadmill, bisa mertahankeun kastabilan jantung pas urang keur olahraga lantaran geus dilengkepan ku monitor detak jantung. Make treadmill oge bisa nyegah tekanan darah tinggi, sabab pas make alat treadmill, bisa ngalatih detak jantung jeung nyieun jadi leuwih sehat. Oge bisa nurunkeun beurat awak, ngan perlu latihan 30 menit sacara rutin tiap dua kali saminggu, bisa nurunkeun beurat awak. Hayu gunakeun treadmill nu mibogaan mangpaat jang ngababarikeun dina olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1911", "text": "Kumaha carana ngumbah piring gancang, pastina ngagunakeun parabot nu leres jeung ajeg.Nyeuseuh piring handapeun keran tilelep dapur jeung ngumbah piring ku neuleumkeun piring dina cai dikumpulkeun téh dua cara pikeun milih ti, dina hal konsumsi sabun cuci piring, cai sareng waktos nyeuseuh, cara anu kadua langkung irit, ieu cara: • Bersihkeun sésa-sésa dahareun dina piring sareng perkakas dapur sanés kana tempat sampah teras tuang minyak kana wadah anu misah. • Kumpulkeun 3-5 liter cai dina baskom atawa tilelep dapur. • Tuang 1 séndok téh sabun cuci piring cair kana cai dikumpulkeun, teras aduk nepi ka rada buih. • Anggo spons, lawon, atanapi sikat piring pikeun nyeuseuh piring sareng barang dapur anu sanés dina larutan sabun. • Sanggeus kabéh parabot dapur geus dikumbah, kosongkeun baskom atawa tilelep, tuluy eusian deui ku cai bersih pikeun nyeuseuh parabot.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7943", "text": "Taneuh longsor oge mangrupakeun salah sahiji masalah anu seeur kajadian di Indonesia. Aya salbabaraha cara kanggo ngurangan resiko bencana taneuh longsor nyaeta kahiji urang kedah apal heula taneuh atawa tempat anu gampang kajadian taneuh longsor. Anu kadua ulah nyieun atawa ngawangun imah jeung pamukiman di daerah anu rawan longsor, sanajan biasana taneuh anu rawan longsor leuwih mirah tapi tetep we kedah ati-ati lantaran ngke lamun beunang musibah mah pasti bakal leuwih awis deui, janten seu sebanding jeung duit anu dikaluarkeun. Drainase oge kedah diperhatikeun nyaeta kedah jauh ti lereng supados teu kasumbat atawa kaserap ka jero taneuh anu tiasa nyebabkeun longsor. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8108", "text": "aptop nu nganggo prosesor intel i3 saleresna alus keneh upami dianggo. Prosesor ieu ngjantenkeun laptop lain saukur jalan hungkul nanging emang tiasa dianggo pikeun gagawe sapertos ngolah data jeung nu sejenna. Komo pemakaian sapertos mahasiswa mah laptop nu nganggo prosesor intel i3 teh tiasa pisan diandelkeun. Bahkan dianggo pikeun nu berat-berat sapertos pagawean di bidang IT laptop nu nganggo prosesor intel i3 tiasa keneh dianggo, nu penting penyimpananna tos SSD. Percuma oge upami laptop nganggo prosesor nu sae nanging penyimpannan masih keneh HDD tetep karasa lemot pisan. Ngan emang upami dianggo ngedit video, rendering, sareng sajabana prosesor ieu moal kiat.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4755", "text": "Lamun urang ngajalankeun bisnis jualan online anjeun oge bisa ngatur bisnis jualan urang ti imah alias bebas, waktu na oge bisa di sasuaikeun sarta bisa bari ngerjakeun pagawean anu lain misalna bari ngagawekeun pagawean imah atawa bari ngaruh budak, jualan bisnis online mah teu kaiket waktu jeung tempat bisa dimana wae anjeun hayang. Hasilna, anjeun henteu kudu ngaluarkeun modal anu gede pikeun ngamimitian bisnis jualan online. Nyatana, aya sababaraha usaha online tanpa modal duit, modal na ngan kudud getol bisnis jualan online anu bisa dilakukeun sareng kabuktian nguntungkeun Contona, bisnis online anjeun bisa dina bentuk ngajual produk batur batur (dropshipping), bisa oge meunang komisi ku gabung affiliates jeung sajabana.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1956", "text": "Ker basa pembukaan Taman Bunga Nasioanal Jatinangor simkuring langsung asup ka wangunan puri nu mangrupa wangunan inti Jans Park katingal keuna ku rupa-rupa kelir témbok puri ti kajauhan. Tempat parkir Jans Park lega pisan. Kandaraan ageung sareng alit tiasa diakomodasi di tempat parkir ieu. Ti tempat ieu, ka kalér, anjeun tiasa ningali Gunung Manglayang. Lawang ka benteng kapanggih sanggeus datang nanjak hiber pondok tina tangga. Di sababaraha sisi, sajumlah penjaga ngabagéakeun sémah asup. Di jero puri Jans Park, hawa jadi tiis. Ieu dipangaruhan ku pangwangunan wangunan anu nyadiakeun lolongkrang jang asupan hawa sabudeureun hateupna. Sajaba ti éta, hawa tiis lantaran lokasi Jans Park deukeut Gunung Manglayang", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "400", "text": "Ngaji teh geus jadi kabiasaan di pesantren. Dina sapoe aya kana 5 kalina ngaji geus mirip jeung sholat anu 5 waktu. Waktu ngajina oge sok saenggeus sholat. Lamun rek ngaji urang sok geus nyiapkeun 30 menit saacan adzan, jeung geus dina kaayaan suci sabab geus wudhu. Indit heula ka mesjid sabab waktuna sholat, geus tidinya tara ka kobong deui, tapi langsung ka madrasah jeung nu sejenna. Sabab madrasah jeung masjid pagigir-gigir, jadi teu kudu make heula sendal, da kari ngalengkah tina lantai masjid ka lantai madrasah. Ngaji oge tara lila waktuna, paling ngan sajam ge geus beres. Biasana geus ngaji urang jeung nu sejenna sok sare atawa ngapalkeun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "582", "text": "Kepala Suku mangrupakeun salah sahiji jenis tokoh adat nu dipikawanoh dina kahirupan masarakat. Artina sorangan kepala suku nyaeta sebutan nu ditujukeun ka jelema nu jadi tokoh utama dina hiji suku atawa kelompok masarakat. Ngan loba jelema nu ngagambarkeun goreng suku salaku hiji kelompok masarakat nu hirupna masih jauh ti unsur peradaban. Peran kepala suku nyaeta ngatur masalah adat-istiadat dimana masalah-masalah naon wae nu aya bakal manehna rengsekeun. Ku sabab kitu masarakat kabeh ngadenge naon nu dilakukeun ku kepala suku. Masalah demokrasi, kepala suku oge ngadenge ti kepala distrik jeung masarakat jang miluan partisipasi dina kagiatan politik sacara langsung jeung manehna oge miluan sarta milih.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7082", "text": "Kitab Zabur diturunkeun dina abad ka-10 sarta dititipkeun ka Nabi Daud AS pikeun jadi pituduh kahirupan Bani Israil. Zabur diturunkeun saatos Taurat dipasihkeun ka Nabi Musa. Kitab suci ieu ditulis dina basa Qibti. Inpormasi anu ngabahas ngeunaan turunna Zabur parantos disebatkeun ku Alloh dina surat Al Isra ayat 55 sareng surat Annisa ayat 163. Sapertos kitab-kitab suci anu sanes, Zabur gaduh sajarah anu panjang sareng penting pikeun umat manusa. Zabur diturunkeun sanggeus Nabi Daud maehan Jalut. Jalut nyaeta jalma anu teu percaya ka Alloh SWT. Jalut mangrupakeun pamingpin tentara Palestina, sedengkeun Daud masih ngora pisan. Daud ngagabung jeung barisan tentara Israil anu dipingpin ku Raja Thalut pikeun ngalawan pasukan Jalut.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "574", "text": "Alusna mah tari jaipong teh dimumule jeung dipertahankeun ngarah teu punah jeung ditelen ku zaman atawa jang nyegah ngameh euweuh bangsa sejen nu ngaku lamun seni tari jaipong ieu dipiboga ku maranehanana. Sabab tari jaipong mibogaan nilai seni nu luhur di mancanegara ngameh bisa dipikawanoh karagaman budaya jeung teu babari diancurkeun ku tarian ti budaya barat. Jeung ngarah generasi ngora teh reueus ka tarian tradisional khususna tari jaipong teh sabab unik jeung teu dipiboga ku bangsa sejen. Oge ngameh bisa ngaronjatkeun kapopuleran Bandung salaku daerah nu kaya ku seni budaya tradisional jeung ngaronjatkeun kapopuleran ngaran dareah nu mibogaan seni tari jaipong ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7914", "text": "Dana darurat penting pisan kanggo hiji kulawargi. Hanjakalna masarakat Indonesia teu acan seeur anu paham kana dana darurat lantaran literasi kauanganna masih keneh sakedik. Padahal dana darurat teh kapake pisan komo kanggo kulawargi anu gaduh anggota kulawargi anu gaduh panyawat beurat sapertos panyakit jantung atawa diabetes. Abdi gaduh rerencangan anu kapaksa kedah nginjeum duit ka tatangga lantaran teu gaduh artos kanggo biaya pangobatan mamahna anu beunang panyakit diabetes. Malahan di antara sadaya anggota kulawargina teu aya hiji-hiji acan anu gaduh simpenan artos atawa asuransi. Ti kajadian eta abdi langsung nyarankeun anjeunna kanggo daftar asuransi kanggo kulawargina bisi engke aya kajadian luar biasa deui.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1565", "text": "Mindeng ngalakukeun kemping ka gunung jeung babaturan. Biasana samemeh kemping urang kudu mawa peralatan pendukung jang bertahan di gunung, komo pan di gunung mah salian ti cuacana nu tiris, oge euweuh tukang dagang. Beda deui mun gunungna nu populer mah sok aya tukang dagang sanajan dipuncakna oge. Utamakeun mah mawa cai, lantaran di gunung urang teu apal aya mata air na di sabeulah mana, kecuali mun geus dipetakeun tempat-tempatna. Peso, piriwit, jeung korek ge ieu kudu pisan dibawa ka gunung, ngameh mun keur aya kaayaan darurat urang bisa survive. Peso bisa dipake naon wae, motong-motong dahareun. Korek jang manaskeun atawa urang katirisan. Piriwit oge jang ditiup jaga-jaga aya nu rek nyalametkeun urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7381", "text": "Sanggeus Susi Susanti, pamaen badminton awewe Indonesia merlukeun waktu lila pikeun meunangkeun emas di Olimpiade. Sanajan kitu, nyatana Liliyana Natsir mucunghul salaku pamaen badminton awewe anu hebat. Lamun Susi Susanti maen dina kategori tunggal, Liliyana Natsir sabenerna maen dina kategori ganda. Sakapeung manehna maen dina ganda campuran jeung pamaen ngaranna Nova Widianto atawa Tontowi Ahmad, sarta sakapeung dina ganda awewe jeung pamawn ngaranna Vita Marissa. Nalika dipasangkeun jeung Nova Widianto, Liliyana Natsir kungsi meunang medali perak dina Olimpiade Beijing, Cina taun 2008. Saterusna basa maen kalawan Tontowi Ahmad, manehna kungsi meunang medali emas di Olimpiade Rio de Janeiro di 2016.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2650", "text": "Aya seueur mangpaat anu dirasakeun saatos latihan rutin, kalebet:\r\n\r\n1. Leuwih percaya diri\r\n\r\nAwak katingalina langkung lengkep sareng gajihna ngirangan. Balukarna, nu tadina burih buncit jeung pipi cabe ayeuna katingalina datar. Sakabeh anggota awak kasampak ketang sarta boga bentuk teguh. Sangkan leuwih percaya diri némbongan di hareupeun jalma réa.\r\n\r\n2. Jarang gering\r\n\r\nSumuhun, saprak kuring mindeng olahraga, abdi jarang gering. Paling-paling, anjeun ngan ukur kaserang flu sareng jarang, sahenteuna sakali unggal 2 taun. Tangtu, sajaba ti faktor séjén, upamana lingkungan. Kekebalan ogé janten langkung tahan, anggota kulawarga kuring sering kaserang flu tapi dina waktos éta kuring henteu nunjukkeun gejala flu sanaos kuring langsung berinteraksi sareng aranjeunna.\r\n\r\n3. Teu 5 L (capé, lemah, lesu, capé, leuleus)\r\n\r\nBiasana mah olah raga pas soré, jadi awak kuring pas mimiti peuting asa hayang saré mimiti, jadi isukna kuring bisa hudang mimiti jeung ngarasa geus cukup sare sabab kuring saré nyenyak jadi tanaga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "475", "text": "Sholat tahajud mangrupakeun salah sahiji sholat sunat. Sholat ieu biasana dilakukeun peuting, umumna jam 3 peuting tapi kudu sare heula. Nu ku urang rasakeun saenggeus sholat sunat tahajud teh nyaeta hate ngarasa tenang, jeung pikiran ngarasa kosong, jeung pinuh ku ide-ide anyar. Jadi saenggeus sholat tahajud ku urang sok dipake jang gawe, boh ngagawean pagawean atawa maca buku. Tapi sakapeung mah sok hoream hudangna, komo pas ka cai kudu wudhu, aya rasa hoream jeung keueung oge. Ngan sok inget kana omongan guru pas urang ngaji, lamun sholat tahajud teh sholat nu diijabah doana, lamun dimisalkeun mah siga panah nu keur ngabidik tuluy tepat bidikanna, tah eta doa pas keur sholat tahajud.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6638", "text": "Aya hiji resep kadaharan sunda anu paling simpel nyaeta godeblag. Naha disebut godeblag lantaran kadaharan ieu gorengan gede anu ngajeblag. Resepna gampil pisan, cukup nyiapkeun tarigu, cai jeung bawang daun. Godeblag mirip jeung 'pancake' lamun di Amerika mah, atawa mirip 'pajeon' lamun di Korea. Cara ngadamelna tinggal galokeun tarigu jeung cai nepikeun janten adonan baseuh, tong hilap tambihan bawang daun jeung uyah, caina rada seeur sabab urang bade ngadamel dahareun anu ipis. Upami adonan tos siap kantun digoreng make minyak sakedik dina katel anu rata supados tiasa ngadamel adonan anu tipis jeung badang. Adonan dipanaskeun nepika garing teras dibolak-balik nepika asak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5397", "text": "Upacara melukat mangrupakeun salah sahiji upacara keagamaan umat Hindu di Bali dina raraga ngaberesihkeun diri tina hal-hal negatif. Upacaa melukat dilaksanakeun di tempat khusus melukat, salah sahijina nyaeta Tirta Empul. Baju nu digunakeun jang upacara melukat nyaeta baju nu sopan atawabaju adat sasuai jeung katentuan. Samemeh melukat, kudu ngalaksanakeun heula matur piuning ku media canang. Matur piuning nyaeta pemberitaan ngeunaan rek diayakeunna upacaa melukat. Matur piuning dilaksanakeun di tangkal caringin satempat. Beres kitu, sebutkeun nu jadi kahayang urang. Tuluy nembe we upacara melukat nyaeta pembersihan ku cai suci tina kucuran suci. Biasana cai suci dilobakeun ngaguyur bagian mastaka sabab diyakini bisa nyieun pikiran leuwih positif jeung seger. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2693", "text": "Moji TV mangrupikeun saluran televisi gratis atanapi henteu mayar. Hartina, anjeun teu kudu repot mikiran biaya langganan, sabab Moji teh saluran televisi digital gratis alias gratis. Anjeun tiasa nonton dina sababaraha alat, boh dina televisi, smartphone, sareng tablet.\r\n\r\nSalian ti acara Liga Premier dina Moji TV, anjeun ogé tiasa nonton rupa-rupa acara olahraga, sapertos baskét NBA, ténis, balap Formula 1 (F1), voli, sareng seueur deui. Khususna pikeun peminat Liga Premier, anjeun ogé tiasa nonton rupa-rupa pertandingan pertandingan gedé pikeun usum Liga Premier 2022/2023. Sedengkeun pikeun pasanggiri lokal, bisa lalajo BRI Liga 1.\r\n\r\nMoji tiasa ditonton di langkung ti 100 kota kanggo TV digital di 25 propinsi di Indonesia. Salian ti éta, anjeun ogé tiasa ningali éta ngalangkungan aplikasi Vidio, sareng ngalangkungan halaman Moji.id.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7138", "text": "lagu Ampar Ampar Pisang diciptakeun ku Hamiedan AC, maestro lagu daerah asal Banjar (Kalimantan Selatan). Hamiedan AC aktip digawe di taun 1980. Teras lagu-lagu rahayatna dinyanyikeun ku Ira Maya Sopha jeung Novel Puput. Sacara basajan, tembang Ampar Ampar Pisang nyaritakeun ngeunaan hamparan cau anu bakal dijieun kueh rimpi, tapi loba sato leutik anu ngalayang lantaran resep kana bau cau. Lagu Ampar Ampar Pisang dijieun make basa Banjar. Banjar mangrupa salah sahiji ngaran suku asli di Kalimantan Selatan. Dina awalna, lagu Ampar Ampar Pisang mangrupa lagu anu sering dinyanyikeun ku masarakat Kalsel minangka kawih nalika nyieun kueh tina cau. Kue eta teh katelah ku nami kueh rimpi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7123", "text": "Imah Adat Sunda Badak Heuay nyaeta imah adat Sunda anu mineng kapanggih di Sukabumi. Imah ieu kaasup imah panggung lantaran numou kanu tihang anu ngajadikeun imahna teu sajajar jeung taneuh. Ngaran Badak Heuay sorangan dicokot tina wangun hateupna nu sarupa pisan jeung badak nanu nuju heuay. Imah adat Sunda Badak Heuay ieu dijieunna tina kai pikeun bagian tembok jeung lantena. Sedengkeun hateupna dijieun tina taneuh liat. Ieu bagian hateup oge dibagi janten dua bagian, nyaeta hateup leutik anu leuwih luhur sarta hateup badag anu nutupan bagian tukang imah. Wangun dua hateup anu benten ieu anu tuluy ngajadikeun luhureun imah Badak Heuay teu katingali simetris.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6526", "text": "Zaman ayeuna mah loba masyarakat nu leuwih milih pepelakan make sistem hidroponik tibatan sistem tanam tanah. Sistem hidroponik dinilai leuwih sehat jeung leuwih efisien. Pasalna, sistem hidroponik mah teu kudu make media taneuh jeung teu kudu make lahan. Jadi, nu teu gaduh lahan oge bisa pepelakan di buruan imah kur make paralon nu dialiran cai. Malahan mah salian dina media paralon, bisa oge dina media wawadahan bekas nu geus teu diangge, nu penting ditata rapih jeung rata kaaliran cai terus-terusan. Tanaman hidroponik oge dinilai leuwih organik sabab bebas pestisida, ngan ngandalkeun oksigen jeung pupuk organik cair jang ngatur nutrisi tanaman jeung pertumbuhan nana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1962", "text": "Tempat wisata Curug Tonjong anu aya di kawasan Taman Nasional Gunung Ciremai anu miboga pesona anu luar biasa éndah. Tempat ieu leres-leres ngajantenkeun panorama alam anu aheng sareng ngarusak pandangan. Lantaran kitu, pikeun sémah anu resep kana nuansa alam, lokasi wisata Curug Tonjong di Majalengka téh salah sahiji anu mindeng dianjurkeun pikeun didatangan nalika datang ka Majalengka. Anjeun salaku sémah tiasa mendakan curug di éta lokasi ogé awi anu mangrupikeun ikon populér tina curug ieu. Upami hoyong ka lokasi curug, teras tiasa nganggo kendaraan pribadi atanapi angkutan umum, angkutan umum tiasa naék ti terminal Rajagaluh, teras naék ojeg di Désa Tonjong, teras leumpang kirang langkung 20 meter ti halte ojeg. payuneun gerbang Curug Tonjong, teras lebet ka lokasi wisata Tonjong Curug, anjeun bakal ditagihkeun biaya tiket masuk antara Rp 10K dugi ka Rp 20K wungkul.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7435", "text": "Pandemi Covid-19 ngarobah seeur pisan aspek kahirupan manusia, ti aspek ekonomi, sosial, politik, nepikeun teknologi. Lantaran basa pandemi jalmi teu meunang padekeut jeung ngempel di tempat umum, sagala kagiatan dilakukeun sacara daring. Matak teu heran ayeuna mah leuwih seeur msarakat anu melek kana teknologi. Barudak SD keneh tos biasa ngangge laptop kanggo sakola jeung ngerjakeun tugas. Jumlah jalmi anu ngangge komputer di jaman pandemi janten ningkat dua kali leuwih seeur ti biasana. Taun 2019, jalmi anu ngangge komputer ngan dua puluh persen jumlahna ti jumlah sadayana. Tapi pas pandemi ningkat nepikeun tilu puluh tujuh persen anu ngangge komputer. Jumlahna ningkat ampir dua kali lipatna. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8843", "text": "Subway Surfers mangrupikeun kaulinan jenis lulumpatan anu dikembangkeun ku Kiloo Games sareng Sybo Games, perusahaan swasta ti Denmark. Kaulinan ie geus sadia pikeun Android, ios, Kindle sarta Windows Phone. Pamaén nganggap peran hiji hooligan rumaja anu diudag ku polisi pedah masang corétan di sisi karéta api, tuluy lumpat ka handapeun truk kabur tina Inspektur jeung anjing na. Salaku hooligan, pamaén diwajibkeun nyekel saloba koin emas tina udara sabisa bari ggahindarkeun tabrakan jeung karéta, jeung objék séjén oge. Kaulinan ngawengku barang husus, kayaning perburuan mingguan, nu bisa ningkatkeun panghargaan tina eta game. Game Subway Surfers ieu dirilis dina 24 Méi 2012 kalayan apdet dumasar kana liburan musiman.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9313", "text": "Parobahan sikap anu bakal kajadian saanggeus hirup duaan jeung pasangan nyaeta pola pikir anu janten leuwih dewasa jeung bijaksana. Saanggeus nikah, laun-laun urang bakal jadi jalma anu leuwih dewasa jeung bijaksana dina sikepna. Hal ieu kusabab ayana hal-hal anyar jeung masalah-masalah dina kahirupan ngawangun rumah tangga. Urang oge bakal jadi jalma anu leuwih ertanggung jawab, utamana kana urusan rumah tangga. Lamun samemehna mah urang teh teu paduli kana kabaeresihan rumah, ayeuna mah ngurusan bumi teh jadi kagiatan anu pikaresepeun. Kabiasaan sare urang oge bakal robah, urang bakal jadi getol hudang isuk. Lamun baheula basa keur ngora mah urang teh sok begadang jeung hudang beurang, komo lamun poe pere mah, geus hudang teh bakal leha-leha. Saanggeus nikah mah urang pasti bakal maksakeun hudang siuk, kajeun awak teh karasa leuleus atawa keur capek. Alasanna teh teu lain deui, pedah ku urang boga tanggal waler kana rumah tangga urang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3934", "text": "Basa libur lebaran idul fitri taun kamari urang jeung sakabeh kulawarga balik ka lembur mamah di tasikmalaya. Lembur mamah di tasik jauh pisan ka pusat kota da tempat na di lurus dekeut gunung nu ngajadikeun udara jeung hawa na tiris pisan mun isuk jeung peuting teh. Dina lebaran katilu mengpeng kabeh kulawargi kumpul di lembur pas mudikurag sakulawarga rek sakalian jalan jalan liburan lebaran babarengan samemeh baralik deui keur sakola atawa di gawe di imah na masing masing. Kusabab lembur mamah geus dekeeu ka gunung urang sakalian weh jalan jalan ka gunung na nyaeta gunung galunggung. Waktu nu di butuhkeun ti lembur ka gunung galunggung ngan kurang ti sajam. Urang babarengan naek mobil bak.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7382", "text": "Rio Haryanto nyaeta pembalap mobil kabanggaan Indonesia. Anjeunna mangrupikeun pembalap Indonesia kahiji anu asup kana acara anu paling bergengsi, nyaeta Formula Hiji. Rio Haryanto dibabarkeun di Solo, Jawa Tengah tanggal 22 Januari 1993. Mimitina manehna balap make go-kart. Taun 2002, manehna meunang juara kahiji dina kompetisi go-kart tingkat nasional. Taun 2008 manehna mimitian miluan balap formula dina ajang Formula Asia jeung berhasil mungkas usum di tempat katilu. Padahal umurna kakara lima belas taun. Prestasi saterusna, Rio Haryanto tiasa meunang tempat kahiji taun 2009 dina acara Formula BMW Pasifik. Waktos eta manehna meunang sabelas kali ti lima belas balapan sareng meunang skor pangluhurna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4082", "text": " Shalat Jum’at nyaéta solat dua rakaat dina poé Jum’at sarta dilaksanakeun dina waktu dzuhur sanggeus dua khutbah. jalma anu geus ngalakonan solat jumaah, teu diwajibkeun deui ngalakukeun solat dzuhur. Beda pokok antara sholat dzuhur jeung sholat jumat nyaeta, sholat jum'at dua rakaat, di mimitian ku dua khutbah samemeh ngalaksanakeun sholat jum'at sarta dilaksanakeun ngan dina poe jum'at, sedengkeun sholat dzuhur aya 4 rakaat sarta dilaksanakeun saban poe salian ti jum'at. Aya Runtuyan atawa tatacara dina sholat jum'at nyaeta adzan kahiji pikeun ngagero jama'ah, adzan kadua tanda yen khutbah bakal geura-giru dimimitian, khutbah kahiji, khutbah kadua, solat, solat jum'at 2 rakaat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2324", "text": "Poe paskah dina Perjanjian Lama jeung Perjanjian Anyar sabenerna indit leungeun dina leungeun. Dina Perjanjian Anyar, Poe paskah leuwih dimaksudkeun pikeun nyorot cinta, rahmat, jeung kakuatan nu Allah geus dibikeun ka urang, Kristen. Pikeun nyalametkeun umat-Na tina kutukan sareng maot,Kemis Suci mangrupakeun rangkaian ti poe paskah atanapi ogé katelah Kemis Suci nyaéta dinten Kemis sateuacan Paskah anu tumiba dina Hari Raya Minggu Suci.Umat Kristen ngagaduhan tradisi Perjamuan Terakhir anu dipimpin ku Yesus. Kemis Maundy mangrupikeun dinten munggaran dina séri perayaan Paskah. Kagiatan dimimitian dina jam 6 soré jeung lumangsung salila 7 poé. Ritual Perjamuan dilaksanakeun unggal misa atanapi jasa anu diémutan salaku perayaan ekaristi atanapi Komuni Suci. Dina misa mini-wengi, imam bakal ngumbah suku jalma salaku panginget ngeunaan Yesus ngumbah suku murid-murid-Na dina Jamuan Tukang. Palayanan Yesus di bumi sateuacan pupusna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "518", "text": "Di jero imah Sunda boga rohangan nu ngabedakeun dumasar kana fungsi jeung pamakeanana. Anu mana area hareup imah siga buruan jeung rohangan tamu mangrupakeun wilayahna lalaki, sedengkeun pawon atawa dapur jeung goah mangrupakeun wilayah awewe. Samentawis rohangan tengah sifatna netral tempat ngumpul kabeh anggota kulawarga. Salian pangaweruh adat istiadat, faktor alam oge milu mangaruhan arsitektur imah Sunda. Anu mana kondisi topografina beda-beda mangaruhan tempat cicingna imah disaluyukeun jeung kaayaan, fungsi, jeung kabutuhan masarakat Sunda. Jang naek ka imah Sunda sok disadiakeun tangga nu disebut golodog. Tangga eta dijieun tina kai atawa awi nu biasana mibogaan teu leuwih ti tilu anak tangga. Golodog fungsina teh jang ngaberesihkeun suku saacan naek ka jero imah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7920", "text": "Nini abdi sensitif pisan kana babauan. Hiji poe nini abdi ngambeu siga aya bau bangke tuluy nitah incuna ningal bisi aya bangke di sakitar imah. Tapi geus dicek sababaraha poe oge teu aya bangke di mamana, nini abdi tetep kekeuh yen aya bau bangke anu kaambeu pisan. Epekteh pas tos sababaraha poe, aya warga anu ngakaporkeun ka pak RT yen di hiji kosan di peuntasan imah nini abdi aya mayit jalmi anu tis pupus. Pas kapanggih aya mayit awewe di kamar anu pang juru na. Pas didatangan ku pulisi, ceunah mah eta teh aya pembunuhan anu dilakukeun ku kabogohna sorangan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2005", "text": "Waktu luang atawa waktu nyantai nya éta waktu anu teu dipaké pikeun digawé, néangan nafkah, ngalaksanakeun kawajiban jeung ngajaga kahirupan, anu bisa dieusi ku rupa-rupa kagiatan pikeun kaperluan nyenangkeun diri. Dina ngamangpaatkeun waktu luang, jalma bébas ngalakukeun kagiatan naon waé anu hayang diekspresikeun, santai, jeung ngarasa bagja. Lamun hiji jalma kalibet dina kagiatan salila waktu luang maranéhanana, éta bisa mantuan ngurangan parasaan depresi sarta katiisan, kukituna mantuan pikeun ngaronjatkeun kaséhatan fisik, sosial, jeung kognitif. Waktu luang nya éta waktu anu dijadikeun sarana pikeun mekarkeun poténsi, ngaronjatkeun kualitas pribadi, kagiatan terapi pikeun jalma anu ngalaman gangguan émosional, minangka hiburan, sarana rekreasi, minangka santunan pagawéan anu kurang senang, atawa minangka kagiatan pikeun nyingkahan hiji hal.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7463", "text": "Nilik ti sajarahna, kamera mimiti dipanggihan ku elmuwan Islam nyeta Al-Haitam dina abad 1000 Masehi. Basa eta, kamera disebutna kamera obscura anu hartina kamar poek. Obscura ieu mangrupakeun liang leutik dina kotak poek anu dipasihan cahaya. Cahaya ieu anu engkena bakal ngahasilkeun gambar tina refleksina. Di jaman ayeuna kamera tos janten canggih jeung seeur pisan rupana, salah sahiji kamera anu kasohor dipake ku lolobana budak ngora nyaeta kameraa polaroid. Kamera polaroid mangrupakeun kamera anu tiasa nyitak poto langsung saenggeus moto. Sasuai jeung ngaranna, kamera ieu nganggo pilem husus anu ngaranna pilem polaroid. Pilem ieu tiasa ngahasilkeun gambar warna pilem polacolor. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5493", "text": "Dina acara FLS2N Kabupaten Subang teh diayakeun sababaraha pasanggiri, salab sahijina nyaeta pasanggiri tari tradisional Jawa Barat. Diayakeunna ti tingkat SD, SMP, dugi ka SMA sakabupaten Subang. Unggal sakola diwajibkeun ngirim delegasi terbaikna. Tah pasanggiri na teh dilaksanakeun di Aula Pemda Subang dinten Kamis. Yuk ah urang ramekeun pasanggiri ieu ku cara miluan lombana, oge tong hilap mawa babaturan jang ngaramekeun aula. Tong dugi ka tinggaleun ieu pasanggiri sabab nu kenging teh bakal dijadikeun delegasi Kabupaten dina tingkat Provinsi Jawa Barat. Yuk agendakeun ti ayeuna tong dugi ka tinggaleun! Iraha deui kan aya kagiatan ieu nu ngangkat kabudayaan lokal nyaeta tari tradisional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4649", "text": "Internet oge bisa asup ka dunia pendidikan jadi aya nu ngarana e-learning atawa belajar jarak jauh, belajar bisa lewat laptop atawa ponsel handphone sorangan sagala materi jeung pembahasan na ges di sadiakeun urang kari belajar. Komo pas pandemi datang, internet jadi hiji hiji na harapan pas sakolah kapaksa di liburkeun kusabab corona, kabeh pelajaran jeung cara belajar di pindahkeun liwat internet da teu meunag tatap muka langsung sistem sakola ieu di sebutna daring singkatan dalam jaringan. Henteu ngan nepi ka dinya, kelulusan oge bisa virtual liwat video zoom sarua jeung anu kuliah jeung sidang skripsi kabeh liwat internet atawa virtual.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9037", "text": "Sawatara waktu ka tukang, nalika kuring masih nyuprih elmu di salah sahiji paguron luhur nu aya di kota Bandung, kulawarga kuring ngarandapan cocobi tina masalah ekonomi. Hal ieu diakibatkan ku ayana pandemi covid 19 tea. Samemeh aya pandemi, pun bapa sareng pun biang ngajalankeun usaha icalan lontong kari pikeun nyumponan pangabutuh sadidinten. Hasilna lumayan nyekapan kanggo ngagaleuh kabutuhan pangan sadidinten, ongkos tur bekel sakola kuring jeung dulur-dulur kuring. Hanjakal pisan, tisaprak pandemi covid 19 mahabu, usaha icalan lontong pun bapa sareng pun biang anjlok pisan. Anu tadina sadinten tiasa seep dugi ka 200 porsi, ku alatan pandemi, paling ukur seep 50 porsi. Ku ayana kondisi kieu, atuh kulawarga kuring teh ngarandapan kondisi anu sarwa kakurangan. Ahirna supaya tetep bisa nyumponan pangabutuh sadidinten, pun bapa nyoba-nyoba ngalamar janten pengemudi ojek online. Alhamdulillah, Allah maparin jalan ka pun bapa, kondisi ekonomi keluarga kuring anu tadina sarwa kakurangan, laun-laun mimiti nyukupan deui.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7016", "text": "Idul Qurban janten tradisi kaagamaan anu kasohor di kalangan umat Islam di sa dunya. Idul Qurban mangrupikeun salah sahiji ibadah anu paling penting dina Islam. Ibadah Idul Qurban ieu dilaksanakeun dina tanggal 10 sasih Dzulhijjah. Dina poe ieu, umat Islam diwajibkeun meuncit sato kurban (domba, sapi atawa embe) minangka lambang kurban jeung ta’atna ka Alloh. Umat ​​Islam oge diwajibkeun nyisihkeun sabagian hasil qurbanna pikeun disumbangkeun ka fakir miskin. Ku cara kitu, umat Islam tiasa nuturkeun sunnah Nabi Muhammad SAW anu meuncit hewan qurban pikeun ngahargaan rahmat jeung asih Allah SWT. Ku ngalaksanakeun ibadah Idul Qurban, umat Islam dipiharep bisa leuwih ngadeukeutkeun ka Allah SWT, sabab bisa ngarasakeun kabagjaan babarengan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4936", "text": "Sorabi mangrupikeun salah sahiji tuangeun khas sunda nu dijieunna babari jeung teu kudu make minyak atawa bumbu. Sorabi dijieunna tina tipung beas jeung parudan kalapa. Cara nyieun na ngan ukur tinggal dikucurkeun adonan tipung beas jeung kalapa kana citakan sorabi. Masakna oge make hawu, teu kudu riweuh make kompor. Sorabi warnana bodas, bentuk luhurna munuu, bentuk handapna semong warna na semu cokelat sabab rada garing atawa tutung. Tah dinu munuu na eta biasana diawuran oncom nu tos ditutuhan dina coet. Mun henteu ku oncom, bisa oge ditambahan endog. Endog diceplokeun na luhur nu munuu na eta. Mun sorabi endog biasana ukuran na leuwih gede ti sorabi biasa. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5812", "text": "Di Indonesia mah jigana tos jadi hal lazim mun beres nonton bola di stadion teh uihna sok kalab raribut. Ribut antarsuporter, ribut suporter jeung wasit, ribut suporter jeung pihak lainna. Teu jarang oge karicuhan nonton sepak bola teh makan nyawa korban. Padahal, hal ieu teh disayangkeun pisan sabab bisa ngacederai sportivitas olahraga di Indonesia, komo mun tos memakan nyawa loba pisan jalmi mah. Intina, rek mrunang rek eleh ge ngaranna pertandingan, wajar pisan we mun eleh ge asal geus berjuang jang meunang. Tong nepi ka egois ngagugulung kajengkel pribadi. Teu jarang oge kakacauan nu kieu teh ditunggangi ku oknum nu teu bertanggung jawab. Jadi, supaya teu mudah diprovokasi, yuk urang junjung tinggi sportivitas jeung nilai-nilai katertiban!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4227", "text": "Indonesia ngabogaan senjata tradisional anu jadi bagian sejarah anu ayeuna di simpen jadi warisan budaya, diantara na nyaeta rencong. Rencong nyaeta senjata tradisional khas ti tanah aceh. Rencong atawa dina basa Acéh anu ditulis dina aksara latén berbunyi \"Rintjong\" nyaéta pakarang has suku Acéh. Rencong mangrupa lambang jati diri, kawani jeung kateguhan masarakat Aceh. Rencong aya sababaraha rupa. Anu kahiji nyaéta Rencong Pudoi, nya éta Rencong anu wangun gagangna atah. Dua Rencong Meukure nyaeta Rencong anu dihias ku gambar sasatoan, akar kai, jeung kembang dina sabeulahna. Rencong Meupucok anu katilu nyaeta Rencong anu aya pucuk dina gagangna anu biasana didamel tina emas. Rencong Meucugék anu kaopat, nyaéta Rencong anu bentukna cugek dina gagangna (perekat sarta gagang melengkung 90 derajat. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7924", "text": "Abdi gaduh tatangga anu rada lieur, unggal poe gawena minjeuman wae duit. Ari saprak ditagih manehna ngomong eweuh duit. Abdi tos bingung kumaha deui cara mapatahanna lantaran manehna sok tara aya di imah. Ai pas butuhna mah maksa-maksa ka kuring, tapi pas giliran ditagih duitna eweuh. Sabenerna adbi oge tos dibejaan ku tatanggi anu sanes yen manehna lamun minjeum duit tara dibalikkeun, tapi lantaran karunya ka manehna abdi kapaksa minjemkeun duit ka manehna. Ceunah mah manehna boga loba sametan ka ditu ka dieu, abdi oge jadi hoream nagih ka jalmi anu kitu mah. Pokona eta janten catetan kanggo diri abdi sorangan moal minjeumkeun duit deui ka manehna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2687", "text": "Football munggaran. Pertama kali kuring lalajo maén bal kira-kira taun 2005 atawa 2006 (teu nyaho, poho) waktu kuring umur 7 taun. Waktos eta acara Piala Gubernur Kalsel, abdi keukeuh miwarang bapa abdi nonton langsung di stadion. Kabeneran kuring terang inpormasi kompetisi tina koran anu kuring baca. Bapa abdi oge satuju kana pamenta abdi. Waktu asup ka stadion, tepatna di Stadion 17 Mei di Banjarmasin, kuring ngaheureuyan, padahal waktu harita masih kawilang sepi. Mangtaun-taun, kuring sering ningali pertandingan maén bal di stadion. Komo deui, kleub kareueus kuring, Barito Putera, ngarayap nepi ka kasta maén bal nasional pangluhurna. Abdi émut nalika Barito meunang Divisi II taun 2008, kuring ogé bungah. Nalika kuring di Divisi Pertama, kuring sering nonton pas saatos sakola. Kabeneran jaman harita kuring SMP deukeut ka Stadion 17 Mei. Komo basa Barito kudu pindah ka Stadion Demang Lehman di Martapura (sajam perjalanan ti Banjarmasin) jaman ISL mah, sok sok nongton diiring ku dulur-dulur.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2796", "text": "Dina pamanggih kuring, jawaban gumantung kana sababaraha faktor. Oven tangring henteu langkung parah tibatan oven listrik. Pikeun anu karék nyobaan diajar ngagoreng jeung dana anu kawatesanan, teu aya salahna lamun maké oven tangkring heula. Salian ti leuwih murah, oven tangkring ogé leuwih efisien sabab ngan merlukeun sumber panas tina kompor. Samentara éta, lamun boga leuwih dana, Anjeun bisa milih pikeun ngagunakeun oven listrik. Tapi balukarna kudu disiapkeun ku tagihan listrik bareuh. Sajaba ti éta, kudu disiapkeun kalawan kakuatan listrik anu luyu jeung naon anu diperlukeun ku oven listrik. Kuring sorangan geus dipaké duanana oven tank jeung oven listrik pikeun lila. Dina pamanggih kuring, duanana mibanda kaunggulan jeung kalemahan. Ngan eta, oven tangkring rada hese dipakena. Tapi upami anjeun parantos terang trikna, oven tangkring ogé tiasa ngahasilkeun roti atanapi kueh anu saé.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3927", "text": "Keuyeup atawa kepiting mangrupa anggota crustacea suku sapuluh sarta dipikawanoh boga \"buntut\" pisan pondok atawa burih (beuteung) lengkep disumputkeun handapeun dada (thorax). Awak keuyeup ditangtayungan ku exoskeleton anu teuas pisan diwangun ku kitin sarta dipak ku sapasang sipit. Ketam téh ngaran séjén pikeun yuyu. Keuyeup leres gaduh lima pasang suku; sapasang suku kahiji dirobah jadi sapasang pincers sarta henteu dipaké pikeun locomotion. Ampir kabéh keuyeup, iwal sababaraha (contona, Raninoida), beuteung narilep handapeun cephalothorax nu. Sungut keuyeup ditutupan ku maxilliped datar, sarta hareup carapace teu ngabentuk rostrum panjang. awak yuyu diwangun ku piring datar (\"phyllobranchiate\"), sarupa jeung udang, tapi kalawan struktur béda.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2288", "text": "Poé Nyepi pikeun Umat Hindu: Ieu Hartina Perayaan\r\nNgaluncurkeun tina website Pamaréntah Kabupatén Buleleng, hajatan Hari Raya Nyepi miboga harti anu kacida luyuna jeung tungtutan kiwari jeung nu bakal datang. Pikeun umat Hindu, Hari Raya Nyepi miboga harti ngamotivasi sacara ritual jeung spiritual umat Hindu sangkan alam salawasna jadi sumber kahirupan.\r\n1 Maret 2022 Dinten Naon? Pariksa Penjelasan lengkep Ieuh!\r\nSalian ti éta, Poé Nyepi ogé ngandung harti ngaleungitkeun sifat sarakah anu aya dina diri manusa. Kalakuan nyokot kudu saimbang jeung lampah mere, anu dina wangun maturan ikhlas. Ajén-inajén ieu perlu dipupusti minangka harti jeung palaksanaan poé Nyepi dina miéling pergantian Taun Saka.\r\n\r\nPoé Nyepi pikeun Umat Hindu: Aya 4 Larangan\r\nAya opat pantangan anu diwajibkeun ku umat Hindu di Bali nalika Nyepi. Nurutkeun kana ramatloka Pamaréntah Kabupatén Buleleng, opat tabu anu ngaranna Catur Barata Penyepian téh dirumuskeun ku Parisada.\r\nAmati Geni: Ngahindarkeun seuneu, kalebet pikeun masak, ieu hartosna urang Hindu nuju puasa\r\nAmati Karya: Pantang gawé\r\nAmati Lelungaan : Ngajauhan ti iinditan, hartina ngarehatkeun awak\r\nNiténan Lelanguan: Ngajauhan néangan hiburan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2267", "text": "Dina hiji poe, saurang warga nu keur ngaliwat ka gunung, papanggih jeung hiji sepuh nu buta jeung sagala rupa panyakit sakujur awakna. Katémbong si kokolot dina posisi diuk ngadawuh “Sagala puji kagungan Allah, anu parantos ngajagi abdi tina panyakit anu parantos diuji ku seueur mahluk-Na; sareng Anjeunna langkung milih kuring tibatan seueur jalma anu diciptakeun-Na.\" Warga tuluy ngagorowok “Ti mana anjeun salamet? Demi Alloh, kuring nyangka anjeun geus katerap sagala rupa panyakit!” Si sepuh teras ngangkat sirahna sareng nyarios \"Naha kuring masih gaduh létah pikeun ngucapkeun Tunggal-Na, sareng kalayan éta kuring tiasa émut ka Anjeunna sapanjang waktos? Sareng naha abdi masih gaduh haté anu tiasa kenal sareng Anjeunna?\" Waleran sepuh éta cukup ngajantenkeun warga kampung tobat ka Allah SWT tina dosa-dosana sareng nyuhunkeun pangampura.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6675", "text": "Aya hiji profesi anu dimuliakeun ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW, nyaeta gawean anu dikerjakeun ngangge panangan urang nyalira, salah sahijina nyaeta tukang dagang dina gerobak atawa dikenal ku istilah pedagang kaki lima, biasana PKL ieu dagang di gerbang sakola, di pasar, atawa dina hajatan. Tapi umumna PKL teh jualan na mapah ngadatangan hiji tempat ka tempat nu sanes nepi keun dagangan na seep. Di Bandung aya oge tukang dagang anu mawa daganganna ditanggung atawa disimpen dina sirah, contona nyaeta tukang cuanki, tukang Tahu Sumedang, tukang buah jeung tukang sate. Basa leutik aya hiihi tukang sate anu mawa daganganna dina sirah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9484", "text": "Liburan ka kebon binatang sareng kulawarga anjeun mangrupikeun pilihan anu paling pas jeung nyugemakeun. Kahiji, kebon binatang nyadiakeun hiji pangalaman nu teu bisa dipanggihan di tempat sejen. Anjeun tiasa ningali sato langka tur leuwih jentre ngeunaan informasi sabudeureun sato jeung tutumbuhan ngaliwatan pemandu wisata di kebon binatang. Kadua, liburan ka kebon binatang tiasa janten kasempetan pikeun ngeusi waktos liburan ku cara nu mangpaat sareng kulawarga. Anjeun tiasa ngurilingan kebon binatang jeung kulawarga bari diajar ngeunaan sasatoan nu aya di dinya. Katilu, Kebon Binatang oge miboga rupa-rupa wahana anu pikaresepeun, kayaning kareta mini atawa tempat kaulinan. Barudak pasti bakal resep ulin di dinya. Janten, upami anjeun hoyong ngaraosan pangalaman anu teu tiasa dipendakan di tempat nu sanes, sareng ngahibur kulawarga, wisata ka kebon binatang sareng kulawarga anjeun mangrupikeun pilihan anu pas.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2397", "text": "1. Alat Musik Genggong\r\nAlat musik Genggong anu asalna ti wewengkon Bali dijieunna tina kai lontar jeung awi, cara maénna ku cara ditiup.\r\nDaérah asal Genggong nyaéta Bali, dugi ka ayeuna masih sering dimaénkeun, dimimitian pikeun upacara-upacara atanapi maén musik sapopoé.\r\n2. Alat Musik Kompang\r\nAlat musik Kompang asalna ti wewengkon Lampung, alatna siga rebana, cara maénna sarua jeung rebana, nyaéta dipukul. Kompang dijieun tina kai jeung kulit embe.Ieu pakakas biasana digunakeun dina acara adat,kawinan,sarta salam pikeun nu datang.Kompang biasana dipaénkeun dipirig ku lagu-lagu anu bernuansa islami atawa syair islami.\r\n3. Alat Musik Serune Kalee\r\nAlat musik serine kalee asalna ti Aceh oge siga klarinet, cara makena sarua jeung niupan. Alat ieu dipaké dina acara hiburan, salam pikeun jalma anu datang ka wewengkon, sarta tari.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7472", "text": "Sapertos kompor gas biasa, kompor listrik oge gaduh kakurangan. Lantaran panasna tina listrik, kompor ieu ngabutuhkeun waktos anu leuwih lami kanggo manaskeun katelna. Janten lamun urang nuju bade masak buru-buru, kompor listrik teu tiasa janten pilihan anu gancang. Kaca kompor listrik oge gampang kagores, janten lamun urang nuju masak teras aya kotoran anu ngeclak kana kompor bakal leuwih hese diberesihan. Kakurangan sanesna nyaeta teu sadaya alat masak tiasa dianggo di kompor listrik, urang kedah milih heula mana panci anu tiasa dianggo. Lamun make kompor listrik oge biasana urang bakal ngalurkeun duit anu leuwih seeur lantaran kanggo manaskeun kompor periyogi waktos anu lami, tagihan listrik oge bakal leuwih seeur. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7018", "text": "Seeur jalmi anu nganggap yen Idul Qurban teh ngan meuncit sato jeung nyate hungkul. Padahal aya nilai anu ageung anu ditanamkeun dina syariat anu dilaksanakeun di sakumna dunya ieu. Lamun nilik ti sejarahna, Idul Qurban teh mimiti pisan dilakukeun ku Nabi Ibrahim ka putrana, nyaeta Ismail. Allah hoyong ningal sakumaha badag kurban Ibrahim ti parentah meuncit anakna sorangan. Prentah ieu beurat pisan kanggo Ibrahim lantaran Ismail teh mangrupakeun putra anu nembe panggih deui saatos ditinggalkeun di padang pasir jeung pamajikan na. Tapi pas Ibrahim bade dipeuncit pisan, Allah ngaganti Ismail jeung hiji domba pikeun lambang Qurban na Ibrahim. Getih jeung daging meunang meuncit moal dugi ka Gusti Allah, tapi kurban urang anu bakal ditampi janten pahala di sisi Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "63", "text": "Koki nyaeta anu gawena di dapur, bisa disebut tukang masak. Di kampung, khususna kampung urang sok rame nu masak komo pas aya acara-acara gede, siga nikahan, muludan, rajaban, atawa haolan. Kusabab nu masak lobaan, biasana masakna lain di dapur deui, tapi di buruan anu lega atawa di lapangan anu lega. Lain pihak kulawarga hungkul nu masak teh, sok aya tatangga oge nu mantuan ilubiung. Tapi teu kabeh jadi nu masak, sabab teu kabeh bisaeun masak, jadi sok dibagi-bagi. Aya nu mantuan jadi asistenna, misal ngeureutan bawang, nyiksikan wortel, nyieun bumbu jang daging, atawa nu bagian ngumbahan piringna. Aya oge nu mantuan mungkusan lamun pasakan geus jadi. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1838", "text": "Lahang nyaéta inuman has urang Sunda anu dijieun tina geutah atawa tina sari cai ti tangkal arén. Rasa amis sareng seger mangrupikeun ciri khas tina inuman ieu. Inuman ieu jenis na kabentar loba di daerah séjén Indonésia, tapi leuwih pakait jeung inuman has Sunda. Lahang dipikanyaho miboga sipat minangka inuman isotonik tradisional. Lahang dicandak tina tangkal arén. Bagian anu diketok nyaéta jang lahang nyaéta kembang jalu. Cara ngetokna henteu sambarangan, para patani biasana bakal miang mimiti ngetok palem sangkan kasegeranna tetep. Disebutkeun yén dina kaayaan anu tangtu cai tina kembang jalu tina tangkal arén ieu upami telat disadap bakal janten cuka atawa ciu. Tangkal teh bakal alus disadap upami tina kembang bakal saé pisan nalika umurna 5 taun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5850", "text": "Televisi jadi salah sahiji media nu dipikaresep pisan ku budak sabab rupa-rupa siaran acarana nu ngamanjakeun waktu luang anak. Cara nonton siaran di televisi teh babari, mimiti hurungkeun TV na ku cara teken tombol on. Geus kitu, pindahkeun gelombang televisi na make remote, pilih nepi ka kapanggih gelombang acara televisi nu dipikahayang. Tuluy atur volume na, tong nepi ka laun atawa tarik teuing. Mun acara na enggeusan ge tinggal pindahkeun gelombangna supaya bisa nimu deui acara nu diikahayang. Mun geus beres nonton, tinggal pareuman make mencet tombol off dina remote. Ke ge televisina bakal pareum sorangan mun geus dioffkeun mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1881", "text": "Nalika buka puasa, langkung saé nginum anu seger. Salah sahiji inuman seger anu cocog pikeun buka puasa nyaéta inuman cappuccino cincau saderhana. Bahanna sederhana, cara ngadamelna ogé gampang, sareng rasana khusus. Nyiapkeun dina hitungan menit. Sampurna pikeun haus sanggeus sapoé panjang nahan haus .Bahan nu kudu ku urang siap-siapeun nyaeta :\n- 1 kotak ager cincau, potong dadu\n- 2 bungkus kopi cappucino\n- Susu kentel amis secukupnya\n- 700 gelas cai\n- És Cara nyieun na nyaeta:\n1. Seduh kopi cappuccino cai, tambahkeun susu kental manis, aduk nepi ka rata, koreksi rasa.\n2. Dina sagelas, tambahkeun és batu, 2 sendok ager jukut dicincang, teras tuang kopi cappuccino.\n3. Siap disajikan, alusna geuwat diinum mumpung masih tiis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3943", "text": "Lamun erek wisata nu nyenangkeun murah enakeun jeung teu kudu jauh - jauh nya waduk jatiluhur jawabana. Tiket asup ka wisata alam waduk jatiluhur teu pati mahal, tempat na ge strategis jeung lamun aya tinu luar kota bisa kaluar ti gerbang tol jatiluhur tuluy langsung bisa ka wisata alam waduk jatiluhur na. Di waduk jatiluhur urang bisa nikmati pemandangan, foto-foto, bisa barang dahar oge jeung bisa mawa bekel lamun rek irit. tapi lamun teu mawa loba pedagang nu dagang sagala rupa dahareun didinya. Di waduk jatiluhur oge urang bisa naek parahu jalan jalan ngider waduk jatiluhur bari di jeaskeun ku nu bawa parahu na. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5104", "text": "Salah sahiji hobi Mita nyaeta lari. Unggal poe pasti nyempetkeun jang lari, rek isuk-isuk atawa burit. Mita sok lari sapoe minimal lima km. Salian jag fungsi kasehatan, lari oge dilakukeun jang ngajaga berat badan angger sakitu. Biasana Mita lari di Gorjat atawa ngurilingan Unpad. Hiji poe mah Mita larina nanjak ka Kiarapayung. Kuat oge geuning lari dina tanjakan ngayon kieu. Manggih tanjakan teh kakah atoh, sabab asa manggih tantangan ceunah. Mantak dibere nanjak ka Kiara payung mah, Mita atoh da loba tantanganna. Barangnepi ka Kiarapayung, Mita langsung istirahat di Jembatan tol bari ningalian mobil nu liwat jarang-jarang. Tah, mudunkeun na mah Mita jogging, teu lari sabab hoyong nikmati pamandangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8699", "text": "Sababaraha urang mikir yén hirup di hiji desa leuwih hade pikeun sababaraha alesan. Desa sering gaduh suasana anu langkung tenang sareng damai dibandingkeun kota anu sibuk sareng ribut. Lingkungan sepi ieu tiasa ngabantosan jalma-jalma janten langkung santai sareng nyaman. Di kampung-kampung, sabudeureunana leuwih hejo ku tatangkalan jeung lahan pertanian. Ieu tiasa masihan kesan anu langkung pikaresepeun sareng santai tibatan pamandangan kota anu pinuh ku gedong jangkung. Di kampung, biasana jalma-jalma silih kenal jeung leuwih akrab. Ieu bisa nyiptakeun suasana kulawarga jeung gawe babarengan anu hade antara masarakat desa. Di kampung-kampung, jalma-jalma sering hirup sederhana. Sanajan teu salawasna gampang, gaya hirup basajan bisa mantuan jalma ngahargaan hirup jeung kabahagiaan tina hal basajan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7377", "text": "Ade Rai lain ngan dipikawanoh di Indonesia, tapi oge di nagara nu sejen. Ade Rai meunang kajuaraan dunya binaragawan, nyaeta Musclemania World taun 1996. Ade Rai dibabarkeun di Jakarta kaping 6 Mei 1970. Anjeunna katurunan Bali. Lamun ditilik awakna anu badag jeung ototan, moal aya nu nyangka yen Ade Rai teh baheulana awakna leutik. Waktu umurna sapuluh taun, beuratna ngan 25 kg, beuratna sarua jeung budak umur genep taun. Nalika anjeunna rumaja, beuratna ngan ukur 55 kg. Anjeunna sering teu percaya diri kusabab anjeunna boga awak jangkung tur ipis. Tapi, Ade Rai boga tekad pikeun nyieun awakna janten atletis sangkan awakna atlit. Anjeunna tungtungna rajin latihan sareng ngajaga gizi tina diahareunna. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9467", "text": "Yogyakarta mangrupikeun salah sahiji kota anu kasohor di Indonesia anu kasohor ku budayana anu endah. Upami anjeun milarian akomodasi di Yogyakarta, kami nawiskeun diskon hotel anu matak lebar lamun diliwatkeun. Kami nyadiakeun seueur pilihan hotel bintang opat sareng bintang lima anu sumebar di sakuriling kota Yogyakarta. Fasilitas anu kami tawarkeun nyaeta kamar anu lega sareng nyaman, kolam renang, sareng akses internet gratis. Sajaba ti eta, kami oge nawarkeun paket sarapan sarta dahar peuting kalawan harga anu kajangkau. Ulah giru deui pikeun ngarasakeun hiji pangalaman mondok nu luar biasa di Yogyakarta kalawan harga anu murah. Hayu, pesen ayeuna sareng kengingkeun diskon hotel anu pikaresepeun di Yogyakarta!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2359", "text": "Abdi hoyong mimitian ku musik pop Sunda, anu dina jaman pra-kamerdekaan ngagunakeun alat musik Malayu anu kuat, contona lagu Panon Hideung anu diadaptasi ku Ismail Marzuki tina lagu Rusia, Óči čjórnye, sakumaha The Tielman nutupan salaku Panon Hideung dina batu. 'n roll genre. Sakabeh judul sacara harfiah hartina panon hideung.\r\nWaktu éta orkestra Malayu keur naék, utamana mimiti taun 70-an. Henteu ngan ukur ngagunakeun alat-alat tradisional sapertos tabla, rebana sareng suling, tapi ogé nganut alat musik Barat sapertos gitar, keyboard, akordion sareng biola. Malah Orkes Melayu (OM) jadi istilah pikeun ngarujuk kana grup musik pop Malayu waktu harita.\r\nSaha nu teu nyaho OM Soneta dipingpin ku flamboyan Tasikmalaya, Rhoma Irama. Henteu ngan ukur Raja Dangdut, malah Ratu Dangdut, Elvy Sukaesih anu asalna ti Sumedang, ogé geus ngalalakon karir nyanyi anu dipirig ku orkestra Melayu, saperti., OM. Purnama, dugi ka OM. Sonnet sorangan", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "528", "text": "Lagu daerah diciptakeun teu ngan saukur dinyanyikeun hungkul, tapi oge fungsina salaku identitas daerah. Aya sababaraha fungsi lagu daerah. Lagu daerah salaku identitas daerah, ieu ku sabab hiji daerah jeung daerah sejen biasana beda-beda, boh dina bahasana nepikeun ka alat musik nu dipakena ge sok beda. Lagu daerah salaku pengiring dina pelaksanaan upacara adat atawa tradisi, ieu sok mindeng dipanggihan oge, contona di adat Sunda sok aya Upacara adat pas dikawinan. Lagu daerah oge salaku pengiring tari jeung pintonan. Lamun tari geus pastina kudu maenkeun lagu daerah. Lagu daerah salaku sarana komunikasi. Lagu daerah salaku media nu mere pesan. Jeung lagu daerah salaku media ulin.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7424", "text": "Samsung Electronics Indonesia sacara resmi ngenalkeun Samsung Galaxy XCover 5 sareng Samsung Galaxy Tab Active3. Dua alat ieu dirarancang khusus pikeun pagawe lapangan ti sagala rupa industri, sapertos tanaga medis anu biasa narima telepon darurat, pulisi sareng petugas kaamanan, logistik ritel, pagawe pertambangan, sareng pagawe sektor kauangan anu kedah nganjang ka konsumen nu aya di sababaraha tempat. Galaxy XCover 5 gaduh ukuran 71.6mm sareng kandelna 9.2mm, janten pas pisan lamun dicepeng jeung dibawa kamamana. Aya oge fitur Wet Touch anu ngajaga layar tetep tiasa dipencet sanajan di tengah girimis. Kadua alat ieu geus meunang sertipikat MIL-STD-810H pikeun kateguhan dina nyanghareupan lingkungan kerja anu paling ekstrim. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4971", "text": "Lumpia roll nyaeta salah sahiji camilan nu gampil pisan dijieun na. Bahan na ngan lumpia hungkul jeung bumbu tabur. Mimiti, lumpia digulung-gulung tuluy di rapetan ujung na make tarigu nu diliurkeun jeung cai. Geus kitu, teukteukan eta lumpia nang ngagulung kira-kira sabuku atawa sasenti. Ngeureut na miring, tong buleud nuturkeun bentuk rollan. Geus kitu, goreng lumpia roll dina minyak panas, seuneu na tong ageung teuing. Aduk dugi ka warna na semu cokelat. Mun tos rubah warna, jait terus kana piringkeun. Taburan weh make bumbu tabur asin jeung lada. Lumpia roll siap disantap. Gampil pisan kan? Yuk ah geura cobian praktekeun di bumi!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4995", "text": "Hiji poe abdi nyobian meuli cau di pasar. Cauna teh ning meuni loba rupa na. Sugan teh cau bakal eta-eta keneh, tapi nyata na loba pisan bedana. Aya nu beda tina warna kulitna, ukuran nana, rasa na, jeung beda cara ngolahna. Abdi jadi bingung bade milih cau nu mana sabab emang teu apal kana cau-cauan. Akhirna mah abdi meser cau ambon jeung cau muli we. Sabab dua cau eta mah tiasa langsung dituang teu kudu diolah atawa dimasak heula. Rasana ge meuni ais pisan deuih. Tina ukuran, cau muli mah kabilang pang leutik na, mun cau ambon mah panjang tur geulis mulus kulit na teh. Geus meser dua cau eta abdi tuluy jajan batagor heula nu aya di caket parkiran.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "183", "text": "Aya film superhero ngaranna The Fantastic Four, film ieu ngeunaan superhero nu anggotana aya opatan. Tiap anggota boga bentuk jeung kakuatanna sewang-sewangan. Nu kahiji, Mister Fantastic nu mibogaan kakuatan elastis, jadi awakna teh bisa lentur siga karet. Manehna bisa jadi trampolin atawa parasut. Kadua, Invisible Women nu bisa ngaleungit. Jadi awakna teh teu bisa katinggali. Nu katilu, Human Torch anu boga kakuatan ngendalikeun seuneu. Jadi awakna teh dipinuhan ku seuneu. Kakuatanna oge bisa ngajadikeun manehna ngapung siga kembang api. Tapi mibogaan kalemahan nyaeta cai. Nu kaopat, The Thing nu tampilanana teh kawas batu, sakabeh awakna di kerubungi ku batu nu baleulah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "893", "text": "Pas nongton mengbal di stadion, meuni rea pisan jelema. Jeung make atributna teh warna biru. Aya nu mawa bendera oge, biasana bendera ieu mawa sewang-sewangan nuduhkeun yen ti komunitas mana, anu engkena ditempelkeun dina tembok stadion meh kasorot ku TV. Pas asup ka stadion oge sabab mimiti ninggali, euleuh meuni ka loba pisan. Di hareupeun urang biasana aya leader anu mingpin yel-yel. Jadi gerakan-gerakan teh geus terarah, siga ngacungkeub keresek nu geus disadiakeun, di tiap bangku teh aya warnana bodas, aya oge warnana biru. Sapanjang nongton pertandingan teu eureun-eureun yel-yel eta, tapi sanajan kitu gunta-ganti yel-yelna. Tidieu oge aya TV anu gede, anu fungsina meh urang bisa ninggali pamaen sacara jelas, soalna mun kabagian tempat diukna jauh moal katinggali. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4542", "text": "Cedera bitis atawa tennis leg oge salah sahiji cedera anu sering kajadian lamun keur olahraga , Nyeri bitis mangrupikeun keluhan umum. Alesanna rupa-rupa, bisa jadi alatan cedera, aktivitas kaleuleuwihan, atawa gangguan aliran getih dina otot bitis. Pertimbangkeun katerangan di handap ieu ngeunaan hal-hal anu tiasa nyababkeun nyeri anak sapi sareng pangobatanna. Dina cedera bitis aya gastrocnemius jeung otot soleus nu papanggih di urat Achilles, nu urat badag dina tonggong ankle nu nempel kana tulang keuneung. Gangguan cedera bitis tiasa mangaruhan dua otot ieu, urat Achilles, atanapi pembuluh darah sareng saraf di sakurilingna. Keluhan nyeri anak sapi bisa digambarkeun salaku rarasaan tegangan, cramping, stiffness, atawa nyeri seukeut dina bitis.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "807", "text": "Basa keur leutik mah pasti budak lalaki resep pisan mengbal jeung jadi olahraga favorit, kaasup urang oge resep mengbal pas keur leutik. Tapi urang teu kaasup budak nu jago dina segi mengbal sabab can pernah asup SSB nyaeta kapondokan tina Sekolah Sepak Bola. Tapi nu ku urang tinggali mah teu kudu asup SSB asalkeun bisa cara-cara ieu. Nu kahiji ngalakukeun latihan fisik. Sabab mengbal kudu mibogaan stamina anu kuat, jadi kudu ngalakukeun heula olahraga sejen siga lari, squat jump, push up, jeung nu sejenna. Nu kadua oge penting nyaeta kudu apal rupa-rupa teknik dasar. Teknik dasar ieu siga ngagiring bola, najong bola, ngoper bola, ngarebut bola, jeung sajabana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3057", "text": "Di kota-kota gedé, jalma-jalma mimiti ngantunkeun cai sumur bahkan ampir teu gaduh deui sareng parantos ngalih ka ngeusian cai nginum. Ieu kasempetan, anjeun tiasa muka usaha cai ngeusian sareng muka pesenan. Usaha ieu parantos tiasa dijalankeun ku modal 15-30 juta, anjeun parantos tiasa ngajalankeun usaha leutik anu nguntungkeun ieu. Usaha leutik anu nguntungkeun sanésna nyaéta usaha cuci kilogram. Naha bisnis ieu ngajangjikeun? sabab loba jalma anu males nyeuseuh baju sorangan. Pagawéan anu sibuk ngajadikeun maranéhna teu boga waktu pikeun nyeuseuh. Balukarna, ayana usaha laundry kilo ngaringankeun bebanna dina meresihan baju. Pikeun modal pikeun muka usaha ieu dimimitian ti Rp. 15–20 juta usaha ieu parantos tiasa dijalankeun. Leuwih ti éta, hirup di pakotaan padet atawa wewengkon sakola jeung kampus, omzet ngahontal 16 juta.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "60", "text": "Lamun aya acara gede nu diayakeun di imah, urang sok ngabantuan indung anu balanja ka pasarna. Sabab acarana nu diayakeunna gede, balanjana ge loba. Aya wortel, kentang, daging hayam, jeung sajabana. Urang mimilu indung nu meuli, urang bagian ngakut-ngakutna. Di imah loba nu mantuan oge jang masak-masakna, aya nu mantuan ngeureutan daging, ngupas cangkang kentang atawa wortel, aya oge nu bagian beberesih alat-alat masak. Urang ge sok ngabantuan tapi lain bagian masakna, urang mah sok bagian bungkas-bungkus, siga mungkusan dahareun nu geus jadi kana cangkedong sabangsaning stereoform. Enggeus dibungkus jeung ditumpuk, ku urang sok dirapihkeun di pawon ngameh tinggal ngabagikeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4244", "text": "Kolintang miboga fungsi minangka alat musik keur hiburan diri, musik pengiring, seni tari tradisional dina upacara adat jeung dipaké dina upacara ritual tangtu. Baheula, ayana kolintang dipaké minangka pangiring musik dina upacara ritual pikeun nyembah roh karuhun, tapi lila-lila hal ieu mimiti ditinggalkeun. Kolintang ogé dimaénkeun pikeun ngabagéakeun sémah anu datang ti tempat atawa daerah séjén, ngabagéakeun sémah nagara nu datang ka Sulawesi Utara atawa sémah aparatur nagara anu datang nganjang dina kunjungan daérah. Ayeuna kolintang dipaké minangka alat hiburan sarta mindeng dipintonkeun dina panggung badag maén lagu pop jeung sajabana. Dina acara-acara tradisional jeung acara musik tradisional, teu saeutik band Kolintang nu milu. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6635", "text": "Indonesia kasohor ku sambel na. Hampir tiap daerah di indonesia gaduh sambel khas na masing-masing. Sambel tos janten pelengkap anu wajib aya di masakan Indonesia. Salah sahiji resep sambel anu paling gampil nyaeta sambel goang khas Sunda. Sambel ieu tiasa ditambihkeun ka rupi-rupi dahareun sapertos bala-bala, cilok kuah, baso, cuangki, jeung sajabana. Cara ngadamelna gampang pisan, tinggal ngulek cengek sareng uyah teras ditambihan cai sakeclak atawa bisa oge ditambihan bawang bodas sakedik wae supados teu pahan lantaran ieu kaasup sambel anu atah, janten bawang bodasna tong seeur teuing. Sambel goang ieu cocok kanggo ngadamel hayam geprek supados nambihan rasa lada. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7432", "text": "LG Wing dilengkepan ku jaringan 5G. LG nyebutkeun yen layar kadua hape ieu tiasa dipuirkeun nepikeun dua ratus rebu kali puiran ku rata-rata puiran saratus kali sapoe salila lima taun. Layar kadua ieu tiasa dipuirkeun nepikeun nepi ka salapan puluh darajat, matak ngabentuk sapertos jangjang. Hape ieu bentukna sapertos hape anu sanesna, pasagi panjang tapi gaduh ukuran nu leuwih kandel lantaran gaduh dua layar. Bagian tukang layar dilapisan ku bahan thermoplastic anu tiasa ngalindungan layar bagian jero ti goresan. Hape ieu dilengkepan ku RAM 8 GB jeung internal 256 GB anu masih tiasa ditambih nepikeun 2 TB nganggo micro SD. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4482", "text": "Salah sahiji olahraga anu babari di lakukeun di imah nyaeta senam aérobik, senam aerobik mangrupikeun jinis latihan anu ngagaduhan seueur mangpaat pikeun ngajaga awak tetep fit. Runtuyan gerakan dina aérobik tiasa ngaktifkeun otot-otot awak anu ngalibetkeun sistem kardiovaskular. Sacara umum, aérobik mangrupikeun olahraga anu tiasa ningkatkeun fungsi jantung sareng pernapasan. Janten, senam aérobik mangpaat pisan pikeun kaséhatan jantung, otak, paru-paru, awak sareng pikiran urang.Latihan aérobik ogé tiasa dilakukeun pikeun ngirangan beurat. Hal-hal di luhur ngajantenkeun latihan aérobik seueur dipikacinta ti sagala rupa kalangan. Olahraga ieu babari bisa di lakukeun sorangan di imah bari ningali contoh dina youtube lamun keur sorangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9496", "text": "Nyieun kueh bisa jadi pilihan pikeun ngeusian waktu luang. Upami urang bade milih kagiatan ieu salaku kagiatan waktos luang, urang kedah nyiapkeun heula bahan-bahan anu diperyogikeun, nyaeta tipung, gula, endog, mentega atawa minyak nabati, sarta bahan sejen diperlukeun nurutkeun resep nu urang pilih. Sanggeus sakabeh bahan sadia, urang bisa ngamimitian nyieun adonan kueh ku nyampur kabeh bahan kana wadah sarta aduk nepi ka rata. Upami diperlukeun, urang oge bisa nambahkeun warna atawa seuseungitan siga vanila nurutkeun rasa. Salajengna, urang tiasa nyiapkeun loyang anu parantos diolesan mentega sareng tipung, teras lebetkeun adonan kana loyang. Sanggeus eta, urang bisa nempatkeun loyang dina oven anu tos dipanaskeun samemehna. Panggang nepi ka rengse. Urang oge tiasa nambihan topping sapertos coklat atanapi krim pikeun masihan sentuhan anu langkung pedo. Saatos asak, urang tiasa ngaliakeun kueh eta tina loyang sarta nyiapkeun pikeun disuguhkeun atawa disimpen pikeun waktu sejen. Ku nyieun kueh, urang bisa ngeusian waktu luang urang ku kagiatan anu ngabagjakeun bari bisa diajar nyieun kueh anu nikmat pikeun kulawarga atawa babaturan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4099", "text": "Kisah Nabi Nuh AS nyarita banjir anu ngalelepkeun jalma-jalma anu ingkar ka Alloh SWT mangrupa carita anu matak ngaregepkeun. Carita dina kitab suci Al-Quran. Carita Nuh jeung banjir teh aya dina surah Al Ankabut ayat 14. Allah mere nyaho ngeunaan banjir gede anu bisa ngalelepkeun hiji kaum anu sombong jeung teu tarima kana ajaran nabi Nuh AS nu teu daek taat kana parentah Allah jeung para Rasul-Na. \"Jeung saenyana Kami geus ngutus Nuh ka kaumna, jadi manehna hirup jeung maranehna salila sarebu taun dikurangan lima puluh taun. Tuluy maranehna ditarajang ku banjir gede, padahal maranehna teh jalma-jalma nu lalim.\" (QS. Al Ankabut: 14).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6106", "text": "Survey nunjukeun yen loba pagawe anu leuwih sering ngarasa stress sabab digawena di kantor. Jadi, ti mimiti datang ka kantor dugi ka uihna keun teh pamandanganna ngan saguliwekeun jeung deuih suntuk ku pagawean, euweuh tetempoeun nu sejen. Komo mun gawena di kantor nu aya di tengah kota besar mah, teu aya titingalieun nu asri pisan jang ngarefresh pikiran. Katambah ku rutinitas menuju kantor anu sok dihiasi ku kamacetan, mantak suntuk pisan kana pagawean teh. Komo jang budak ngora anu nembean gawe mah bakal nyieun rungsing jeung mantak stress pisan. Beda jeung nu gawena di lapangan, sok loba titingalieun anu anyar jeung meunang hal baru anu rame.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4012", "text": "Kwetiaw goreng mangrupa kadaharan anu populér tur dipikaresep ku loba masarakat di Indonésia. Rasa kenyal kwetiaw na ditambahan ku sayuran nu seger jeung garing jeung séhat di tambahkeun oge sareng topping bakso, sosis, hayam, daging sapi atanapi udang jadi makin nambihan nikmatna kwetiaw goren na. Kombinasi rasa gurih amis jeung rada lada sampurna dina mulut. Ngadahar kwetiaw goreng ieu oge ngawaregkeun tapi bisa di jadikeun pikeun dahaeunr hidangan utama poko atawa ngan jadi ganjelan lapar samentara. Kwetiaw cocog pikeun sarapan, dahar beurang atawa makan malem. Tapi umu na mah kwetiaw goreng di jajdikeun pikeun makan malem soalna mun peuting loba nu ngajual di gigireun jalan. Tapi kwetiaw goreng ogé cocog pikeun tuang dina cuaca panas atanapi tiis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5891", "text": "Ku kaayaan ayeuna anu serba canggih teh bisa nimbulkeun perkembangan dina sagala aspek, salah sahijina nyaeta perkembangan dunia robot. Tah tilu hal positif dina berrkembangna robot bagi manusa. Nu kahiji nyaeta bisa ngamudahkeun sagala pagawean manusa, ti skala leutik nepi ka skala gede. Ku ayana robot teh bisa ngabantuan pisan dina ngaganti sumber daya manusa. Nu kadua nyaeta bisa nambah wawasan manusa dina dunia perobotan, utamana mah dina kreasi nyiptakejn robot. Nu katilu nyaeta perkembangan inovasi kreatif nu bisa didesain jang ngabantuan kahirupan manusa dina sagala aspek. Ku ayan robot nu canggih teh manusa bakal ngarasa kabantu pisan, komo mun dina pagawean anu berat mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7470", "text": "Baheula, sateuacan aya kompor gas, urang nganggo kompor minyak taneuh. Ayeuna tos aya deui anu tiasa ngagantian kompr gas, nyaeta kompor listrik. Kompor listrik mangrupakeun kompor anu tiasa ngaluarkeun panas ku cara ngalirkeun listrik ti logam panas anu aya di handapeun kaca atawa keramik. Arus listrik ieu engkena au bakal ngirim panas ti kaca ngaliwatan inframerah. Benten sareng kompor biasa, lamun kompor listrik tos dipareuman, keramik tilas masak bakal masih panas, lantaran urang kedah ngantosan heula nepika tiis, teu meunang dicepeng. Alat masak anu tiasa digunakeun di kompor listrik sanes alat masak biasa, urang kedah ngangge alat masak anu bahanna tina keramik, beusi, stainless steel, jeung aluminium. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4609", "text": "Cara make mesin cuci ieu bakal dimimitian nalika tombol operasi dipencet. Lantaran kitu, samemeh nyeuseuh dimimitian, anjeun kudu nyetel program/ milih kumaha nyeuseuhna, sabaraha loba seuseuhan jeung sakumaha lila na eta mesin cuci nyeuseuhna soalna bakal ereun sorangan mesin na lamun geus beres nyeuseuhan jeung naon nu bakal dipake. Sa eungeus mesin cuci beres di siapkeun tuluy ngamimitian nyeuseuh, tabung mesin bakal dieusi cai jeung sabun nurutkeun program nu ges di setel tadi. Upama cai dina kendang dieusi sareng karasa cekap, mesin bakal ngamimitian ngumbah. Mesin cuci bakal nyeuseuh baju ku cara muterkeun kendang atawa slamming baju, nurutkeun jenis hareup loading atawa luhureun loading mesin cuci.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2273", "text": "Hiji poé Imam Ahmed bin Hanbal, ulama Islam kawentar tur teolog kawentar, keur iinditan jeung dieureunkeun ka hiji kota pikeun solat. Sanggeus nyieun kasalahan, manéhna megatkeun pikeun méakkeun peuting di palataran masjid sabab teu nyaho saha di kota. Tapi, saurang penjaga masjid anu henteu ngaidentifikasi dirina nolak ngantepkeun anjeunna cicing di masjid sareng nyeret Imam Ahmed kaluar tina masjid. Ningali ieu, hiji tukang roti karunya ka Imam Ahmed sarta nawiskeun dirina pikeun host Imam Ahmed peuting éta. Salila cicing jeung tukang roti, Imam Ahmed niténan tukang roti terus maca Istigfar, Imam Ahmed lajeng nanya ka tukang roti naha nuluykeun maca Istighfar mangaruhan hirupna. Tukang roti ngawaler ku nyarioskeun ka Imam Ahmed yén Allah parantos nampi sadaya pamenta na, kecuali hiji, nyaéta masihan anjeunna hak istimewa pikeun nepungan ulama anu kasohor Imam Ahmed bin Hanbal. Nyaho ieu, Imam Ahmed lajeng nyarios yén Allah SWT teu ngan ngadangukeun do'a tukang roti tapi ogé geus dibawa dirina ka hareup panto imah tukang roti.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4184", "text": "Kawalu nyaéta upacara adat suku Baduy anu dilaksanakeun saméméh upacara Seba. Upacara Kawalu dilaksanakeun ku urang Baduy nu dimaksudkeun ngawujudkeun rasa sukur ka Nu Maha Kawasa kana kurnia anu dipaparinkeun ku alam. Ku sabab kitu, upacara Kawalu biasana dilaksanakeun sanggeus usum panén paré alam. Upacara Kawalu sorangan mangrupa upacara adat anu kacida sakralna, nepi ka teu anéh lamun sakabeh masarakat Baduy gawé bareng dina nyiapkeunna upacara kawalu ieu. Upacara Kawalu ieu wajib di pilukeun ku sakabeh warga masarakat baduy teu paduli lalaki, awewe, ngora, nepi ka sepuh. Samentara éta, lamun aya warga sepuh anu katerbatasan fisik, kalebet awéwé anu nuju haid, henteu kedah hadir dina upacara Kawalu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4112", "text": "Suudzon minangka salah sahiji sifat tercela, islam nitah urang salaku hambana ngajauhan sifat tercela. Suudzon atawa Goréng mikir yén anu dilarang nyaéta suuzan ka Alloh SWT sareng suuzan ka sasama muslim. Contona, pamajikan atawa salaki nu nuduh pasanganna selingkuh, sanajan teu aya buktina yen pasanganna keur salingkuh atawa goreng mikir lamun ningali babaturan atawa tatangga meunang rezeki, terus mikir rezeki eta teh rezeki nu teu bener. Ieu hal anu dilarang ku Alloh SWT sakumaha anu di jelaskeun dina surah Al-Hujurat ayat 12. Conto séjénna ngeunaan suuzan anu diharamkeun nyaéta nganggap yén musibah atawa musibah téh mangrupa siksaan atawa laknat Alloh SWT. Kanyataanna, bisa jadi etateh teguran ameh urang bisa leuwih di ajar bersyukur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8128", "text": "Canon teh salah sahiji produsen nu nyayogikeun kamera. Kamera nu diproduksi ku Canon teh rupa-rupi gumantung spesifikasi sareng kagunaanna. Salah sahiji produk Canon teh nyaeta EOS R6. EOS R6 ieu teh cocog pisan pikeun dianggo moto objek nu gerak, sapertos sato, mobil, curug, jeung sajabana. Kamera mirrorless ieu tiasa moto objek nu gerak kusabab tiasa newak detail sepersekian detik diantara gerakan-gerakan objek. Jandela bidik elektronik 3,69m-dot 0,5\" beresolusi luhur mere caang sareng detil tur kecepatan refresh 120 fps tiasa mere hasil video nu dinamis, realistis, tur katempo alami.Layar sentuh LCD nu didesain vari-angle cocog pisan tianggo ngarekam ti hareup sapertos keur vlogging.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3535", "text": "Anu mimiti tentang [asangan iyeu Ieu ngan pandangan pribadi kuring. Aing can kawin, tapi geus sababaraha kali gagal dina bobogohan, padahal geus sababaraha kali diajak serius jeung lalaki. Tapi naha kuring bisa ragu dina tungtungna. Saterusna kuring papanggih 1 jalma. Jangkungna normal nalika urang mimiti pendak sareng anjeunna. Jenis lalaki basajan anu indit ka mall ukur maké kaos oblong jeung sendal. Teu bener tipe kuring lamun datang ka ragrag asih sabenerna. (Teu sawios-wios obrolkeun heula) Tapi tetela pepatah nu Don't judge a book by its cover. Sababaraha kali kuring kaluar sareng anjeunna, kuring sok mendakan titik-titik dimana kuring sok nyarios ka diri sorangan \"Anjeunna hiji. Anjeunna hiji pikeun kuring. Nya anu pas pisan” da asa ngucap “Maneh kamana wae salama iyeu” ???", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7666", "text": "Sateuacan milih barang anu bakal diical, urang kedah ningal heula kabutuhan pasar. Barang naon anu ayeuna nuju seeur dipilarian ku lolobana jalmi. Pastikeun oge urang ngaical barang anu teu acan diical ku batur. Lamun urang ngaical barang anu seeur diical ku batur pastikeun yen barang urang mah aya bedana, misalna gaduh kelaeuwihan tibatan barang anu sanesna supados konsumen leuwih milih barang icalan urang. Rarancang bisnis urang oge kedah sae, supados seeur jalmi hoyong ningal barang dagangan urang. Siapkeun oge modal anu cekap. Modal ieu kedah disasuaikeun sareng pangabisa urang. Lamun urang ngan gaduh modal sakedik, barang anu diical oge kedah sasuai, ulah seeur teuing. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4637", "text": "Robot Robotan maenan atawa cocooan anu biasa di paenkeun ku budak lalaki sabenerna ngan saeutik bagean tina arti robot sabenerna Robot nyaéta alat mékanik anu bisa ngalaksanakeun tugas fisik, boh maké pangawasan jeung kontrol manusa, atawa maké program nu geus ditangtukeun (kecerdasan jieunan). Robot biasana dianggo pikeun tugas beurat, bahaya, repetitive sareng padamelan kotor. Robot dina cocooan ngan saukur bentuk penggambaran na hungkul, panggambaran lamun robot eta teh ngkena bakal jadi leuwih ti eta, robot robotan oge ngarangsang anu maenkeuna keur resep otak atik robotna ameh jadi sesuatu anu alus. Matak maenan robot robotan kaasup kana cocooan edukatif. arti sabenerna robot teh aya ilmu na nyaeta robotik anu bisa ngajieun robot keur ngalakukeun sesuatu siga manusa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4169", "text": "Indonésia ngaku kana kabeh agama atawa kapercayaan sabagé unsur penting pikeun hubungan ka nu Nyiptkeuna. Ieu nu ngajadikeun Indonésia dikasohor kusabab jadi nagara anu beunghar ku nilai nilai sosial. Unggal agama anu dianut ku urang Indonésia merlukeun tempat ibadah pikeun nyukupan kabutuhan spiritualna. Unggal tempat ibadah tangtuna ngabogaan wangun jeung susunan anu ciri. Masarakat sering ngagambarkeun imah ibadah salaku fasilitas kaagamaan anu penting pikeun unggal penganut agama di mana waé. Saterusna imah ibadah sorangan identik jeung simbol \"eksistensi\" umat beragama. Salian ti mangrupa simbol, imah ibadah ogé dijadikeun tempat ibadah jeung nyiarkeun agama. Sabagé tempat ibadah, imah ibadah dipiharep bisa méré pangjurung nu kuat jeung terarah ka jamaahna. Tujuanana pikeun ningkatkeun kahirupan spiritual para penganut agama ieu.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7078", "text": "Taurat nyaeta kitab suci anu diturunkeun atawa diwahyukeun ka Nabi Musa AS salaku pituduh jeung panunjuk hirup pikeun umatna nyaeta Bani Israil. Taurat atawa Torah asalna tina kecap Ibrani nyaeta yarah. Salaku kecap pagawean, yarah bisa dihartikeun salaku \"masihan pangajaran\", \"ngajar\", atawa \"nuduhkeun\". Dina konteks agama, Taurat gaduh arti \"ajaran atanapi parentah ti Gusti\". Kecap Torah tuluy dipake dina harti anu leuwih luas nyeta aturan-aturan tinulis jeung lisan, sarta ahirna ngawengku sakabeh ajaran Yahudi. Sajaba ti eta, ceuk Philip Birnbaum dina Encyclopedia of Jewish Concepts (1964), Torah oge dihartikeun salaku \"ajaran/panunjuk/parentah\" atawa \"adat\", jeung \"sistem\". Eusi utama Taurat ngeunaan iman atanapi tauhid sareng hukum syariah dikenal salaku 10 Parentah Gusti.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7464", "text": "Salah sahiji kamera hebeul anu sababaraha waktos ka tukang mulai seeur diteangan deui nyaeta kamera analog. Sapertos namina, kamera ieu benten sareng kamera digital. Cara make kamera ieu oge teu sagampil nganggo kamera biasa lantaran kedah gaduh kamampuan jeung tehnik husus. Lamun biasana kamera digital tiasa dipake ku cara ngasupkeun batu batre jeung kartu memori hungkul, kamera analog teu sagampil eta makena. Tapi sakumaha kamera biasana, kamera analog gaduh rupi-rupi jenis kamera anu gaduh ukuran sareng harga anu rupi-rupi oge, mulai ti ratisan rebu nepikeun jutaan, kumaha merek jeung kaayaan kamerana. Anu ngabedakeun jeung kamera digital oge nyaeta kamera analog mah nganggo rol kamera. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1970", "text": "baheula urang teh pernah ka padang jeung mail, mail teh tipeu jalma anu resep nganjang ka babaturanna, tapi da kuring teu resep sabab Mutia keukeuh, padahal manehna mah hayang pisan ngimeutan pisang ti Pekanbaru jeung ngajakan kuring mawa. Lila-lila mikir, kuring nyatujuan kana pamenta manéhna pikeun nginep sababaraha peuting, tuluy nuluykeun jalur ka Bukittinggi. Ceunah mah, ping 18 Mei 2021 jam 8 peuting maké minibus ka Matur. Bade sumping ka bumi Mutia kaping 19 Mei 2021 tabuh 4 subuh. Perjalanan ti Pekanbaru ka Matur butuh 8 jam. Sanggeus ngahubungi Mutia, kuring terus néangan panginepan murah di Bukittinggi. Waktu éta, harga anu paling murah anu dicantumkeun dina aplikasi panyadia hotél sakitar 100.000 rupiah, lokasi hotél henteu jauh ti jam gadangr, pusat kota. Hiji hotél heubeul dijieun kana warisan budaya, sakumaha eta baheula nu penting hargana mirah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4581", "text": "Basa baheula inget pisan yen ponsel handphone ngan bisa di pake sms, nelepon jeung ngadengekeun lagu hungkul. Tapi ayeuna ponsel handphone ges canggih pisan, pamikiran anu jaman bareto sugana moal mungkin ayeuna kajadian bakat ku nu nungarana internet. Intenet bisa ngaekeutkeun anu jauh saraca gancang jeung jelas saperti jaman ayeuna aya nu ngarana video call. Jaman ayeuna urang bisa ningali jelas dulur atawa batur anu jauh pisan sperti dulur anu ya di luar kota atawa luar negeri ayeuna mah bisa langsung di hubungan jeung bisa ningali beungutna. Hal anu jaman bareto sigana moal mungkin bisa kajadian da lamun di tingali ti jarak na jauh pisan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "128", "text": "Talaga Pineustilu anu aya di Pangalengan, nyaeta tempat camping tapi konsepna geus siga hotel. Lantaran di jero tendana geus disadiakeun peralatan nu lengkep, aya bantal, simbut, jeung kasur. Di luar tenda aya tempat diuk, bisa dipake mejeng atawa barbequean. Alat masakna ge geus disadiakeun jadi tinggal mekel pasakeunna. Tuluy di sisi na aya kolam leutik, jang budak leutik bisa dipake renang. Toiletna oge aya cai panasan, jadi sanajan di Pangalengan tiris mandi mah moal katirisah. Hargana lamun poe biasa Rp 500.000, lamun poe libur Rp 650.000. Geus kaasup sarapan jang 4 orang. Hiji tenda na bisa jang 4 nepika 6 orang. Dipesenna kudu ti dua atawa tilu bulan saacanna, soalna sok geus pinuh. Komo lamun poe libur mah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2389", "text": "oleh-oleh khas ti lembur kuring. Mangga mampir ka toko-toko di luhur nalika nganjang ka Solo.\r\nPrestasi Bakery. Toko ieu ayana di Jl. Gatot Subroto No 229, Serengan, Surakarta. Nu kawentar didieu nyaeta Roti Krumpul Bruder. Roti ieu bentukna buleud (saolah-olah dikumpulkeun babarengan) jeung diwangun ku rupa-rupa rasa. Aya 2 jinis Roti Krumpul Bluder anu ditawarkeun, nyaéta Roti Krumpul Kombinasi sareng Roti Krumpul Bluder biasa. Rasana enak, teksturna lembut sareng amisna pas.\r\nRoti Kuna Solo, Toko Roti Merani, anu perenahna di Jl. Sutan Syahrir no 111, Solo 57133. Roti merani, khususna roti Polandia, katelah ngeunah. Sanaos sederhana, roti merani ieu ngeunah pisan, krimna lembut pisan, amis sareng seungit. Teu heran roti digosok tina Merani loba ditéang sanggeus salaku souvenir has solo.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7167", "text": "Urang pasti geus teu asing deui jeung tahu, dahareun anu dijieun tina kacang kedele ieu tos janten dahareun sapopoe urang, cara ngolah tahu oge macem-macem pisan, aya nu digoreng biasa, aya nu dibejek, aya nu dijadikeun gehu, jeung sajabana. Sumedang oge gaduh tahu anu has, nyaeta Tahu Sumedang. Benten sareng tahu biasana anu gaduh warna koneng, Tahu Sumedang mah warnana coklat. Warna adonan asli Tahu Sumedang sateuacan digoreng mah warnana teh bodas, tapi lantaran digoreng dina minyak anu panas jeung seneu anu badag, Tahu Sumedang janten gaduh warna coklat jeung kopong di jero na. Tahu Sumedang biasana dijual make bongsang tina awi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5425", "text": "Saberes pertandingan arung jeram di Sinamar, abdi langsung nyimpang heula ka Istana Pagaruyung. Abdi jeung babaturan popotoan didinya sapuasna. Salian urang bisa ningali rumah gadang, urang ge bisa ningali sagala hal nu berkatan jeung budaya suku Minangkabau. Pengunjung bisa popotoan di jero rumah adatna. Bisa oge popotoan na make baju adat khas Minangkabau. Harita abdi nyobian popotoan ngangge baju adat khas Minangkabau, wah pokokna mah sae pisan Saberes abdi jeung babaturan wareg popotoan, ayeuna tinggal ngalanjutkeun perjalanan uih ka bandara sabab perjalanan jauh keneh. Pamandangan indah di sakitaran komplekna mantak ngamanjakeun pisan kana mata, cocok pisan jang wisata budaya jeung healing.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6806", "text": "Kanggo barudak, kedah seeur ngalakukeun kagiatan supados ngalatih otak. Salah sahijina nyaeta nyusun lego. Lego nyaeta kaulinan anu bentukna balok anu tiasa disusun janten bentuk naon wae. Salian ti ngasah kreativitas, nyusun lego oge kabukti tiasa ningkatkeun kemampuan komunikasi murangkalih nepi keun salapan puluh dua persen. Lego ieu tiasa dipaenkeun ku barudak lalaki atawa awewe. Lego tiasa dipaenkeun ku sagala yuswa. Ulin lego tiasa ningkatkeun kebersamaan, tiasa oge ningkatkeun katerampilan nuntaskeun masalah. Lego gaduh bentuk anu macem-macem, tapi biasana pasti aya buleudan na kanggo nyambungkeun ka lego nu sanes na. Lego oge biasana warna-warni janten upami disusun bakal janten sae.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "905", "text": "Ceuk urang mah Point Blank game nu paling moal bisa dipohokeun, sabab game ieu geus maturan urang ti zaman SMP keneh, zaman keur teu bisa kana komputer. Sanajan grafikna biasa wae, tapi rame pisan maenna. Sabab urang bisa ngalawan batur, lain ngalawan komputer. Urang resep game kompetitif kawas kieu, jadi teu aneh mun tiap warnet rame ku nu maen game ieu. Tapi ayeuna mah beda, nu karasa ku urang pas nyobaan deui maen game ieu. Sabab loba pamaenna anu cheater jeung ngagunakeun macro, jadi ngarasa teu adil. Tapi di sisi sejenna, versi ayeuna nu dicepengan ku Zepetto babari meunangkeun senjata gratis ngan ukur modal login, teu kawas zaman Gemscool mun hayang senjata alus teh kudu top up.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "65", "text": "Urang nu biasa dahar sabari nonton video food blogger, nu ngareview dahareun, atawa nu mukbang. Di era digital ayeuna mah loba nu gawe jadi food blogger oge, sabab loba kauntunganna. Bisa dahar gratis, ieu mah untung-untungan sih, tapi lamun geus jadi food blogger papan atas biasana dahar teh gratis jeung loba undangan jang ngareview dahareun. Jadi teu kudu ngaluarkeun duit sorangan. Tuluy pasti loba relasi, soalna lamun loba indit ka sababaraha tempat, rek di jero atawa luar negeri oge bakal loba relasi. Nu geus pasti mah meunang penghasilan tambahan, sabab aya kasempetan gede bakal diundang ku Dinas Pariwisata misalna, jang ngapromosikeun kota ngaliwatan potensi kulinerna, atawa tina nyieun video tuluy di upload ka Youtube ge geus pasti meunang duit. Loba henteuna penghasilan gumantung kanu nongtonna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8824", "text": "Bungee jumping mangrupa olahraga ekstrim anu dilaksanakeun ku cara luncat ti jangkungna puluhan nepi ka ratusan méter luhureun taneuh ngagunakeun tali kaamanan dijieunna tina karét sarta lateks. Nalika ngalakukeun bungee jumping aya sababaraha alat anu kedah dianggo supados aman. Tali bungee mangrupikeun komponén utama dina bungee jumping. Tali ieu bakal ditalikeun kana suku jeung disambungkeun kana tali anu leuwih panjang maké rantay sangkan bisa nahan beurat awak. Tali bungee sorangan biasana dijieun tina karét fléksibel atawa lateks. Tali ieu diganti unggal poe pikeun mastikeun yén kakuatan sarta élastisitasna dijaga, lajeng sabuk atawa sababaraha jenis tali kaamanan bakal napel dina awak jeung deui di ankles pikeun mastikeun anjeun sagemblengna aman nalika luncat, sarta panungtungan nyaéta tambahan tali karét salaku kaamanan tambahan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4970", "text": "Stik mozarella atawa nu sok disingkat stik moza, mangrupikeun salah sahiji camilan paporit nu babari dijieunna. Bahan-bahanna ngan lumpia, keju mozarella, jeung tarigu. Mimiti, potong keju mozarella kira-kira sagede curuk. Terus liurkeun sasendok tarigu ngangge cai nu fungsina jadi lem lumpia. Tos kitu, simpen mozarella dina lumpia, tuluy gulungkeun. Saatos digulungkeun, ujung lumpia olesan make cai tarigu supaya rapet. Terus kitukeun sadaya moza jeung lumpiana. Pami tos beres, lebetkeun heula kana freezer kira-kira dua atawa tilu jam lilana. Terus mun tos beres, kantun abuskeun kana katel nu seuneu na leutik. Tujuan na supaya lumpia teu tutung, jeung deuih supaya mozarella na teu leber kamamana. Upai tos beres digoreng, tuuskeun dina saringan terus sayogikeun dina piring. Stik moza siap dituang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "509", "text": "Acara adat bisa dijieun jadi Festival Budaya. aya sababaraha mangpaat ku diayakeunna festival budaya. Nu kahiji ngawangun komunikasi budaya. Ngaliwatan festival budaya wisatawan luar bisa nyaho jeung wanoh kana budaya khas daerah. Nu kadua mikawanoh kana pengembangan seni jeung budaya modern ka masarakat. Beuki majuna teknologi jeung asupna era globalisasi, mangpaat diayakeunna festival budaya nyaeta jang ngabeungharkeun elmu masarakat ngeunaan seni budaya modern, sarta ngamekarkeun seni budaya lokal jang dipromosikeun. Nu katilu ngangkat potensi ekonomi loka. Ku diayakeun festival budaya bakal ngangkat oge potensi ekonomi lokal di daerahna. Misalna ku ngajual produk lokal nu bisa ditawarkeun pas pelaksanaan festival lumangsung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4548", "text": "Olahraga Basket jeung Renang nyaeta olahraga anu loba di pikaresep biasana mah lalaki anu resep jeung jago olahraga ieu. Olahraga ieu di percaya boga mangfaat salain ti mangfaat umum bisa ngajaga kasehatan oge bisa nambahan jangkung kusaba aya sababaraha gerakan nana aku di percaya bisa manjangkeun otot matakna bisa nambahan jangkung. Dina Reang urang kan di paksa gerak baju make saluruh bagian awak ti lengeun awak jeung suku eta teh ngaregangkeun awak jadi di percaya bis nambahan jangkung lamun sering di lakukeun lamun tina basket gerakan lompat ngashot ka ring jeung gerakan lolompatan nu lainna eta oge nu di percaya bakal ngarangsang ameh urang bisa ngajangkugan deui.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "825", "text": "Lionel Messi salah sahiji pamaen sepak bola nu asalna teh ti Argentina. Manehna meunangkeun piala dunia 2022 nu diayakeun di Qatar. Salian ti meunangkeun piala dunia, prestasina di klub sepak bola oge alus siga Ballon d'Or jeung sajabana. Ku lobana gelar, Messi pantes disebut pamaen sepak bola terbaik dina sajarah sepak bola. Messi jadi salah sahiji pamaen nu bisa ngarebut Ballon d'Or nepikeun ka tujuh kali. Tapi sanajan kitu, Messi teu pernah ngarasa manehna salaku pamaen terbaik di sajarah sepak bola. Manehna ngaku geus puas mun geus dicap salaku salah sahiji anu terbaik. Ku rendah hatina eta, geus teu aneh mun nu ngaidolakeunna loba ti berbagai negara.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7177", "text": "Kacapi nyaeta pakakas musik petik anu kaasup kana kategori pakakas kordofon anu sorana dihasilkeun tina senar atawa senar anu ngageter. Kacapi sorangan mangrupa pakakas musik anu dipaenkeun minangka alat utama dina Tembang Sunda, Mamaos Cianjuran jeung Kacapi Suling. Kacapi mangrupa alat musik tradisional nu geus dipikawanoh ti abad ka-abad. Mimitina kacapi teh asalna ti Cina, anu ngaranna benten nyaeta Ghuzeng. Sareng kecapi biasana dianggo pikeun ngiringan musik kalayan galur anu lembut sareng pikabitaeun. Dina sajarahna kacapi gaduh sababaraha versi, umumna lolobana jelma nyebutkeun kacapi asalna tina basa Sunda. Tapi aya oge nu nyebutkeun Kacapi teh asalna ti suku Bugis Makassar.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3855", "text": "Mun keur di imah terus hujan-hujan emang paling ngeunah ngadahar nu di goreng-goreng tapi aya kuahan. Biasana kan batur mah ngadahar mie rebus, mun urang mah jeung indung urang nyobaan nyieun pempek dos. Ternyata teu hese teuing nyieun pempek dos teh. Bahan na ngan saukur tepung sagu, tepung tarigu, cai, uyah, kaldu hayam, dua siung bawang bodas, minyak goreng, jeung endog dua. Mun jang bahan cuko na cukup ku dua sendok dahar ebi di seduh, gula beureum, cai, asam jawa, sasendok uyah, jeung satengah sendok cuka. cara nyieun na, mimiti campurkeun cai, tepung tarigu, uyah, kaldu hayam, jeung bawang bodas. Tambahkeun endog terus di kocok, lamun engges karek campurkeun jeung tepung sagu, ayeuna tariguan dampal leungeun jang bentuk adonan pempek meh teu narapeul. Pipihkeun terus bere isian samemeh di bentuk panjang atawa di bentuk buleud. Tas angges kabeh karek di kulub, mun cara nyieun kuah na nyaeta tinggal campurkeun kabeh bahan cuko terus di rebus. Tah mun geus angges ngarebus pempek na karek di goreng, di potongan trus di banjur kuah cuko na. Pempek bisa langsung di dahar. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8084", "text": "Lalajo bal di stadion teh benten pisan rasana sareng lalajo di imah. Lalajo bal di stadion karasana leuwih resep kusabab arurang ningali langsung tim nu urang jagokeun tanding. Salian eta atmosferna oge benten kusabab supporter-supporter sejen nu salila pertandingan nyanyikuen mars-mars andalanna. Sapertos nu arurang nyaho supporter bal teh seueur pisan sareng sarolid janten nambih rame eta stadion ku nyanyian-nyanyian ti supporter bal. Upami untung arurang tiasa panggih pemain favorit tur menta foto atanapi tanda tangan dina jersey nu urang anggo. Lalajo bal di stadion tiasa nempokeun antusiame urang ngadukung tim andalan sareng supporter-supporter nu sejen. Resep lah pokokna lalaljo di stadion.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7111", "text": "Gareja Katedral kaasup salah sahiji wangunan cagar budaya di Jakarta. Sateuacan diresmikeun salaku gedong warisan budaya, Gareja Katedral gaduh sajarah anu panjang. Pangwangunan Gareja Katedral dimimitian nalika Paus Pius VII ngangkat Pastor Nelissen salaku prefek apotik Hindia Walanda dina taun 1807. Taun eta janten mimiti sumebarna misi jeung pangwangunan gereja Katolik di Nusantara, kaasup di Jakarta. Gareja Katedral jantwn salah sahiji warisan budaya Indonesia anu kedah dijagi jeung dilestarikeun. Di jerona aya perpustakaan jeung museum anu ngajelaskeun sajarah sumebarna agama Katolik di Jakarta. Sajaba ti eta, lokasi Garéja Katedral anu aya di peuntaseun Masjid Istiqlal nuduhkeun yen ti jaman baheula masarakat Indonesia geus hirup dina rasa toleransi jeung kebersamaan anu kacida luhurna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2249", "text": "Anu dimaksud para pamimpin agama anu kuring tarima nyaéta para pamimpin agama, jadi koméntar anu kuring bagikeun ngeunaan tokoh agama nyaéta para pamimpin agama. Ieu anu sering dipopohokeun ku jalma-jalma ngeunaan hakekat pangajaran agama, sabab anu jadi puseur agama nyaéta para pamingpin agama. Perlu diinget yén tokoh agama ogé manusa anu masih kénéh pinuh ku kasalahan, nalika para tokoh agama ieu ngalakukeun atawa ngungkabkeun hal-hal anu bertentangan jeung tradisi masarakat anu béda-béda, anu nganut ajaranana bakal \"ngahuyung-huyung\" pikeun ngabéla kapentingan masarakat. pamingpin agama ieu. Dampak anu lumangsung harita nya éta aya pergeseran ajaran bebeneran anu sabenerna tina hakekat ajaran agama sorangan. Coba ngartos bebeneran agamana sorangan, sanés pamimpin agama sorangan.", "label": 3, "label_text": "religion"}