diff --git "a/train/sun.jsonl" "b/train/sun.jsonl" new file mode 100644--- /dev/null +++ "b/train/sun.jsonl" @@ -0,0 +1,2800 @@ +{"id": "12", "text": "Roti Gempol aya di jalan Citarum, posisina ditukangeun Gedung Sate. Restoranna sajajar jeung Roti Cane jeung kafe LOS Tropis. Mun ditinggali di luar bentukna siga restoran jaman baheula. Cet tembokna warna krem lamun cet gerbang panutupna warna coklat. Pas asup ka restoranna, aya tangga nu kudu ditaekan ameh sajajar jeung lantaina, jumlah tangga na aya opat. Pas asup ka jero, bakal katingali korsi panjang ti ujung ka ujung ti sabeulah kenca tuluy ditambahan meja buleud anu leutik dihareupeun korsi eta jang nendeun roti, susu, jeung sajabana. Di jero na aya oge etalase anu jangkungna 1,5 meter. Lamun pembakaran roti na posisina nyanghareupan ka jalan, jadi ti luar oge bisa katingali proses nyieun roti bakarna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3058", "text": "Pilihan bisnis imahan leutik anu nguntungkeun nyaéta muka usaha jahit bumi. pikeun anjeun anu resep ngaput, ieu cocog upami anjeun ngajantenkeun kasempetan salaku panghasilan. per bulan usaha ngaput ieu bisa ngahasilkeun 1,5-3 juta. Sedengkeun modal anu dibutuhkeun teu pati ageung, mimitian ti Rp 2,5 juta tiasa ngajalankeun usaha rumahan anu hiji ieu. Muka barbershop ogé pilihan bisnis leutik nguntungkeun. Sababaraha barbershops kawentar nu mimiti leutik bisa kantong nepi ka 80 juta. Teras, sabaraha modal anu diperyogikeun pikeun muka tukang cukur ieu? ku modal 30-50juta cukup pikeun anjeun muka usaha ieu, asal anjeun terang kumaha motong rambut anu rapih, khususna upami anjeun parantos ngagaduhan sertifikat dina widang ieu, ieu mangrupikeun daya tarik pikeun pengunjung.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "587", "text": "Teu babari jadi kuncen teh. Aya sababaraha sarat nu kudu dilakonan. Contona wae jadi kuncen Gunung Slamet. Nu kahiji, mibogaan kamampuan jeung pemahaman ngeunaan legenda di Gunung Slamet jeung cicing di sakitar lereng. Kadua, aya kasapukan ti masarakat ngaliwatan musawarah. Nu katilu, diangkat jeung direstui ku kuncen saacanna. Sarta sarat nu paling utama mah nyaeta mibogaan kasaktian jeung bisa ngobrol langsung jeung Eyang Slamet ku cara laku prihatin jeung semedi. Kuncen mibogaan tanggung waler nu gede, siga maturan pendaki ngameh salamet nepika tujuan. Sapanjang hirup salaku kuncen, Warsito diajar mikawanoh gejala alam nu aya pakuat-kaitna jeung aktivitas gunung api aktif eta.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "473", "text": "Gerakan takbirotul ihram anu bener. Nyaeta ngankat dua leungeun, tuluy dua leungeun diarahkeun ka kiblat posisina rada nyerong. Kaayaan ramo-ramo leungeun diantepkeun anggang siga biasana. Leungeun diangkat nepikeun ka juru ramo sajajar jeung ceuli bagian luhur, indung ramo sajajar jeung ceuli bagian handap jeung talapak leungeun sajajar jeung punduk. Saenggeus eta teundeun dua leungeun dibagian kenca antara bujal jeung dada, posisina lengeun katuhu numpakan leungeun kenca, indung ramo, jariji, jeung cingir leungeun katuhu nyepengan pigeulang leungeun sabeulah kenca. Curuk jeung jajangkung nu bagian leungeun katuhu dipanjangkeun dina luhur leungeun kenca. Saenggeus kitu tinggal maca doa iftitah. Tuluy cicing heula sakeudeung.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4230", "text": "Lamun ngobrol ngeunaan dodol, tangtu moal leupas tina Kabupatén Garut. Garut mangrupa daerah di Jawa Barat anu kasohor ku dodol unikna. Dodol nyaéta kadaharan jajanan anu miboga tékstur kenyal sarta lengket. Dodol ogé mindeng boga rasa amis sarta ogé digabungkeun jeung rupa-rupa rasa. Dodol teh sabenerna mirip mirip jeung permen ngan beda di teksturna. Loba nu nyebut oge yen dodol teh permen tradisional. Garut daerah panglobana anu nyieunan dodol gara gara eta garut anu dingaranan Kota Dodol, tangtu Garut ngabogaan sajarah jeung carita anu panjang ngeunaan jajanan mamah ieu. Padahal, dodol mangrupa salah sahiji oleh-oleh khas Garut anu matak pikasebeheun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "814", "text": "Ku ayana Pandemi tangtuna aktivitas jadi teu bisa sagawayah dilakonan, siga contona mun biasana olahraga di luar rohangan atawa di lapangan nu loba batur, ayeuna mah jadi teu bisa. Tapi sanajan kitu urang masih bisa tetep olahraga ku ngalakukeun olahraga anu ringan, nu teu kudu kaluar imah, jeung teu kudu make alat-alat khusus. Olahraga ringan ieu mantuan pisan pas keur pandemi, jadi sanajan pandemi masih tetep bisa olahraga di imah. Salian ti nyehatkeun, urang oge bisa kahindar tina virus pas keur pandemi. Oge ku sabab babari dilakukeun, urang oge teu kudu boga peralatan khusus, cukup make awak sorangan geus bisa ngagawean olahraga ieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5494", "text": "Di lembur abdi teh aya sababaraha tokoh adat nu masih keneh aya dugi ka ayeuna. Aya nu jagjag keneh, aya oge nu tos pikun jeung uduran wae. Salah sahijina nyaeta Ki Sahmad. Ki Sahmad teh masih keneh jagjag dugi ka ayeuna. Kaleresan abdi dinten ayeuna bade ka bumi anjeunna kangge wawancara milarian informasi ngeunaan asal-usul lembur ieu. Abdi wawancara teh duaan jeung rerencangan. Pas datang dugi ka bumina, kaleresan Ki Sahmad aya ti teras bumina nuju santai. Tuluy abdi perkenalan jeung sasadu kana maksad abdi kadinya. Tuluy anjeunna ngijinan kangge diwawancara. Beres wawancara teh ngobrol heula sakedap ngaler ngidul. Alhamdulillah tos beres ngobrol, abdi sareng rerencangan uih deui ka bumi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4131", "text": "Isra Miraj oge salah sahiji hari besar dina agama islam, isra miraj datang na di tanggal 27 bulan Rajab lamun nurutkeun kalender hijriah, hari besar ieu mah di mumule jeung dipikaweruh ku loba jelema ku sabab di jadikeun hari besar nasional di teteupkeun jadi hari libur nasional. Dina tahun 2023 ieu isra miraj ragrag dina tanggal 19 februari 2023. Isra miraj the paristiwa anu penting keur di inger pikeun urang salaku umat islam, paristiwa dimana parintah sholat 5 waktu dina sapoe sapeuting anu datang ti gusti Allah saenggeus nabi muhammad ngajakeun parjalanan anu panjang pisan. Keur ngingetan urang ka paristiwa ieu biasana sok di ayakeun acara, acara ieu eusi na aya ceramah jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7074", "text": "Kitab suci agama Hindu nyaeta Weda, buku ieu lumaku sapanjang umur. Dimimitian ti jaman manusa prasejarah nepi ka jaman modern. Weda ngandung katerangan ngeunaan Gusti sareng alam semesta anu saluyu sareng kamampuan pikiran manusa. Numutkeun Drs. I Wayan Midastra, dkk. dina buku Widya Dharma Hindu Religion for Middle School, Weda disebut Apourucyam. Sabab, kitab suci ieu lain disusun ku manusa biasa, tapi ditarima ku jalma anu suci. Weda asalna tina kecap vid anu hartina \"diajar uninga\". Upami diinterpretasi sacara umum, Vedas mangrupikeun kitab suci pikeun diajar sadayana, ti anu biasa dugi ka anu sesah diuningakeun. Kitab ieu gaduh opat samhita.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5379", "text": "Al-Qur'an jadi salah sahiji kitab suci pedoman umat Islam dina sagala aspek kahirupan di dunia jeung di akherat. Dina Al-Qur'an eusina ngeunaan petunjuk hirup umat Islam nu diwujudkeun oge melalui kisah-kisah teladan nu jadi conto kahirupan. Kitab suci ieu dianggap kitab suci penyempurna kitab-kitab samemehna, nyaeta Taurat, Zabur, Injil, jeung Daud. Salah sahiji kaistimewaan Al-Qur'an nyaeta eusina nu sasuai jeung kahirupan umat manusa ti zaman baheula dugi ka zaman ayeuna-ayeuna. Hal ieu ngabuktikeun bahwa Al-Qur'an ngandung hiji kasucian jeung kaistimewaan nu eusina teh sasuai jeung sagala kondisi jeung zaman. Tangtu wae ieu jadi salah sahiji bentuk ngayakinkeun umatna yen leres ieu kitab suci teh pedoman hirup nu kedah diturutan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7933", "text": "Aya nu nyebutkeun yen lamun di tempat gawe mah ulah gaduh rerencangan dekeut, cukup digawe sing sae tuluy balik ka imah tong seeur gaul sareng rerencangan di tempat gawe lantaran hal eta bakal mangaruhan kualitas gawe urang. Hal ieu teh lantaran geus seeur pisan jalmi anu geus ngalaman kajadian di tempat gawe anu kirang ngeunah lantaran dekeut teuing jeung rerencangan di tempat gawe. Biasana lamun nyampurkeun urusan gawe jeung urusan pribadi. Misalkan lamun aya masalah dina pagawean sok jadi teu ngeunah ka rerencangan sorangan lantaran geus dekeut jadi we teu wani ngomongkeun lamun aya masalah dina pagawean anu kirang sae. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5904", "text": "Kamari abdi nuju mapah we ngaliwatan gang anu sempit. Abdi leumpang santai sabab paikir teh teu aya nu ngalangkung. Pas beres bijil ti gang, jol dipengkereun teh aya motor driver Grab ngalangkung nyiap abdi. Singhoreng mah meureun titadi teh nuturkeun abdi di gang, ngan teu wantun ngalaksonan. Motorna teh teu aya soraan, sabab ning eta mah motor listrik, sanes motor bahan bakar fosil. Abdi reuwas bari olohok sabab nembe mimiti deuihan ningali kandaraan motor listrik sakitu deukeutna. Sarua jeung sapedah, ngan bodyna leuwih ka body motor. Ternyata ayeuna mah seueur pisan nu tos ngangge motor listrik, utamana driver grab sabab dianggap leuwih mirah jeung ramah lingkungan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6706", "text": "Gurita, sasatoan laut anu paling jarang didahar ku urang Indonesia di antara sasatoan laut nu sanesna. Daging gurita gaduh tekstur anu geunyal jeung rada heuras. Di Korea, gurita biasana didahar pas atah keneh, daging gurita anu tos dipotong-potong masih keneh ngagurilap langsung dicocol bumbu teras dihap. Gurita ngandung seeur pisan protein tapi lemakna sakedik, matak cocok kanggo nu keur diet. Daging gurita anu tos dimasak biasana bentukna jadi muringkel jiga sosis panggang. Daging gurita bakal jadi liat lamun kalilaan dikulubna, matak ngulub gurita mah tong lila teing, lima menit dikulub, teras dikeeum teras dikulub deui tilu menitan oge tos cekap.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5412", "text": "Sholat fardhu teh dibentenkeun jadi sholat berjamaah jeun munfarid. Sholat berjamaah dilaksanakeun na berjamaah, biasana di masjid, ganjaranna nyaeta sanilai 27 pahala. Mun munfarid mah nyaeta sholat masing-masing ganjaranna kur hiji pahala. Ku kituna, penting pisan jang umat muslim supaya ngalaksanakeun ibadah sholatna berjamaah, supaya pahala nu dikengingna oge maksimal. Usahakeun ngiringan sholat berjamaah di masjid, komo utamana kaum lalaki mah da wajib. Mun kaum istri mah leuwih hade berjamaahna di imah masing-masing. Ku kituna, sabab penting pisan nyiar pahala nu gede, yuk urang biasakeun laksanakeun sholat berjamaah di masjid! Supaya urang bisa ngajalin siaturahmi oge jeung sasama muslim salian kulawarga.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2420", "text": "Carita kokolot suku Iban nu ngajaga leuweung Kalimantan. Perjuangan luar biasa para sesepuh pribumi Iban dina ngajaga kearifan lokal désa walungan Utik Dayak Iban di Kalimantan Barat kacida ngagenclang. Aranjeunna nekad nyobian ngajaga pelestarian ratusan rébu héktar leuweung primér anu murni. Sababaraha kelompok ngasongkeun yén carita perjuangan ieu \"The Last Standing Forest in Borneo\". Sakumaha dicaritakeun, nepi ka ayeuna para sudagar Malaysia mindeng datang mawa karung ringgit pikeun ngagoda jeung ngagoda Sesepuh Adat sangkan ngajual leuweungna ka tukang ngala leuweung ti nagara tatangga, pikeun ngancurkeun leuweung parawan suku Iban. \"Aranjeunna sumping pikeun ngabersihan leuweung urang,\" saur kokolot suku dayak iban.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6111", "text": "Mun nuju libur kuliah teh abdi sok uih ka lembur. Biasana sapanjang liburan semester teh sok meakeun waktu di bumi, itung-itung istirahat. Bari cicing di bumi teh abdi sok bari icalan jajanan jang ngolo barudak. Biasana abdi sok icalan es krim oreo, stik cokelat oreo, jeung snack-snack nu lainna. Harga jualna ge tara mahal-mahal, paling sarebu atawa dua rebuan. Jualan na ge sok sakedik da bari ngeusian warung we di bumi. Itung-itung tambah kesel we ngadamelan jajanan na ge, sanes teuing ku niat icalan. Kadang oge icalanna dititipkeun ka warung di sakola supaya tereh seep. Mun teu ngadamel oreo ge sok ngadamel es krim nu rasa sanesna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "878", "text": "Sanajan olahraga lari teh olahraga anu ringan tapi loba kajadian pas keur lari sukuna kaseleo. Ieu mangrupakeun salah sahiji cedera nu paling mindeng kajadian. Penyebabna cedera ieu teh nyaeta aya robekan tina ligamen pergelangan suku, atawa otot. Matakan mun rek olahraga lari atawa olahraga naon wae ge penting pisan ngalakukeun pamanasan heula saacan ngamimitian lari. Tapi mun geus kajadian cedera bisa dilakukeun ku cara nga istirahatkeun heula bagian nu cedera, bisa ku cara ngompres bagian nu cedera ngagunakeun es atawa ngagunakeun elastic bandage ku cara diteken daerah cederana. Tapi lamun kateterusan mah leuwih alusna langsung dibawa ka dokter ngameh ditangani ku dokter.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2799", "text": "Anjeun tiasa nyarios ieu pisan low-wattage pikeun oven alat keur manggang roti 19 liter. Kuring boga hiji di imah, generasi kahiji nu teu boga lampu indikator, malah total watt ngan 560 watt (275 luhur, 275 handap), éta pikeun 250˚C. Upami éta ngan ukur pikeun ngagoreng pastri, éta paling saé nyangkut nganggo suhu 200˚C, janten jumlah watt langkung handap tina total watt di luhur. Tapi downside teh nya eta euweuh fitur rotisserie, nu mangrupakeun grill hayam puteran. Oven ieu ogé lain oven convection, jadi euweuh fitur kipas internal nu diperlukeun pikeun baking sababaraha jenis menu dahareun. Sajaba ti éta, controller suhu ogé ngatur suhu seuneu luhur jeung handap babarengan, jadi Anjeun teu bisa nyetel suhu luhur jeung handap béda. Masih pikeun beginners katuhu? Muhun, éta cocog pikeun pamula atawa newbie.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7640", "text": "Pandemi ngajadikeun seeur jalmi kedah milarian cara supados tiasa minuhan kabutuhan sapopoe di tengah kondisi hese milarian gawe. Tatanggi abdi ngamimitian nyieun usaha dahareun berger sareng kentang anu hiji kotakna dihargaan lima belas rebu. Eusina aya berger eusi daging sapi haseup, kentang goreng jeung naget ditambih saosna. Asalna mah manehna ngan icalan di sabudereun imah hungkul, tapi beuki lila manehna diajar cara icalan di Twitter jeung Instagram. Anu awalna manehna ngan meunang pesenan lima kotak sapoe, ayeuna nepikeun dua puluh kotak sapoe. Ti subuh keneh manehna tos balanja ka pasar, manehna boga prinsip yen emameun kanggo diical mah kedah seger. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8008", "text": "Sangu goreng salah sahiji kadaharan nu aya dimana-mana. Teu aya perkawis nu tiasa dijadikeun alesan jalma teu resep sangu goreng. Sanajan dijieun tina sangu urut, sangu goreng angger ngabogaan rasa nu raos. Kadaharan ieu oge janten salah sahiji kadaharan nu gampil divariasikeun kusabab bahan utamana sangu cocog wae dihijikeun jeung naon oge. Lobana restoran atawa nu icalan sangu goreng janten salah sahiji bukti upami ieu kadaharan dikaresep ku loba jalma. Lain rame tur dikaresep dihiji daerah hungkul saluruh Indonesia sapertosna resep jeung beuki ka ieu kadaharan. Komo ayeuna tos loba chef-chef luar negeri nu nyobian ngajieun sangu goreng salah sahijina nyaeta Gordon Ramsey.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5047", "text": "Di Sukabumi aya hiji penginapan anu unik pisan, nyaeta Arusliar Nusa Traditional Cottage atawa nu sering dikenal ku sebutan Nusa. Tah penginapan ieu teh kabilang unik sabab lokasina nu di tengah-tengah wahangan Citarik. Jadi samacam pulau leutik nu kabentuk na cagak jalur cai wahangan. Lokasi Nusa nyaeta di Citarik, Cikidang. Kamar penginapan na mangrupa cottage atawa sasaungan nu jumlahna loba. Di tengah-tengah antara cottage aya taman jeung aula terbuka paranti ririungan. Mun kamar mandina mah aya di sisieun aula terbuka. Kenca katuhu jalan satapak na loba tempat diuk nu dijieun tina potongan kai. Nusa ngusung tema tradisional pisan, dugi ka pernak-pernik hiasan na oge di desain make bahan ramah lingkungan. Akses jalan ka Nusa sakira sapuluh menit leumpang ti jalan raya, tuluy meuntas kana jambatan tina kai jeung awi. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8664", "text": "Milarian tuangeun di gunung tiasa janten tangtangan sorangan kusabab sumber daya alam anu terbatas. Sanajan kitu, aya sababaraha cara pikeun manggihan kadaharan di gunung. Lamun aya walungan atawa situ sabudeureun gunung, ngusep bisa jadi cara efektif pikeun meunangkeun sumber protein. Coba mawa usepan jeung kait lamun ngadaki. Pilarian pepelakan liar, sababaraha conto pepelakan anu tiasa didahar nyaeta daun singkong, daun kelor, kacang, buah sareng sayuran liar. Nanging, penting pikeun emut yen sababaraha pepelakan sareng sasatoan liar tiasa bahya atanapi sesah didahar. Upami anjeun ngarencanakeun jalan-jalan anu langkung panjang, anjeun tiasa nyandak sumber tuangeun ti bumi, sapertos barang kaleng atanapi biskuit, salaku cadangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1987", "text": "Baheula ker ka jogja kuring sorangan liburan teh, heuteu pusing sih ai makan mah da jogja mirah jeung lengkap mereunan. Malah keur kuring mah sok ngadahar saaya-aya, nu penting mah kaluar ti imah (padahal ngan ngurilingan kota bari kuliner). Kusabab gaduh tuangeun mewah di bumi Asa biasa. Tapi lamun ka luar (milih tempat anu alus) bakal nyegerkeun sakedap (sanaos anjeun tuang Indomie anu dikulub). Ngubek Malioboro jeung make jalur anu teu biasa pikeun wisatawan, kuring ngahaja nyéwa beca pikeun ngurilingan gang, asup ka pakampungan, pasar tradisional, ogé, jalur kahirupan masarakat Jogja. Jadi si tukang becak teh sumanget haha ​​sabab jalanna keur balanja pamajikanana, matak bungah. Wah mun di Malioboro mah rada maha bisa tilu kali lipat. Dahar Wedang Tahu sisi jalan, balanja salak pondoh murah. tah nu kos kiyeu nu ker itu kuring rasakeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7113", "text": "Budak lalaki Sunda biasana bakal disepitan. Biasana isuk-isuk budak anu rek disunatan teh dimandian atawa dikurebkeun dina balong. Saterusna dipangku ku bapana dibawa ka pakarangan pikeun disunatan ku paraji sunat. Ayeuna disebut paramedik atanapi mantri. Seueur anu nyaksian, aya anu nyepeng hayam jago kanggo dipeuncit, aya anu nyepeng mercon sareng rupa-rupa kendang pikeun ditabuh bari ngaladenan marhaban. Tuluy budak nu disunatan téh dibawa ka imah. Teu kungsi lila, para semah , tatangga, babaturan, jeung dulur-dulur oge daratang. Maranehna mere duit ka budak sunat sangkan bisa bagja jeung poho kana kanyeri. Biasana budak anu disunat oge diarak nguliling make kuda ronggeng.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "483", "text": "Idul Adha biasana rame ku acara meuncit sato, nu dipeuncit mindengna domba jeung sapi. Di tiap kampung sok aya nu meuncit, jadi sok rame. Saenggeus meuncit sok milu motongan daging kurban make bedog anu saacanna geus diseukeutan heula. Geus kitu biasana daging-daging nu dikeureutan tuluy ditimbang jang dipindahkeun kana plastik-plastik leutik nu satuluyna mah dibagikeun ka imah warga. Peutingna sok loba nu nyate tiap imah teh diburuan, atawa mun pas zaman urang ngakost mah sok babarengan jeung tatangga kost sejen jang meuleum daging hewan kurban, aya nu bagian nyolokan dagingna kana awi, aya nu ngabumbuan, aya oge bagian nu ngipasan sate kanu alat nu geus aya arengna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7939", "text": "Ti tsunami Aceh di taun 2004 masarakat Indonesia diajar kanggo nyanghareupan bencana alam, utamana tsunami. Pamarentah Indonesia oge masih keneh teu acan apal kumaha carana nanganan bencana alam tsunami, matak pas tsunami di Aceh teh seeur pisan relawan ti negara anu sanes anu ngabantosan Indonesia carana nyanghareupan bencana. Tapi beuki lila relawan ti negara nu sanes mulai ngajarkeun urang Indonesia supados tiasa mandiri dina nyanghareupan bencana. Negara anu sanes oge masihan seeur pisan alat-alat kanggo ngabantosan urang di Indonesia. Matak masarakat Indonesia oge kedah apal kana resiko bencana di mana wae. Komo lamun urang cicing di dekeut laut atawa gunung merapi. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4259", "text": "Tokoh adat nyaeta jelema anu di anggap pamingpin anu ngabogaan kawasa jeung pangaruh dina hiji daerah. Tohoh adat biasana jelema anu di saja di kolotkeun keur ngajaga wibawa ku sabagean warga anu tugasna ngamumule suku asal daerahna. Biasana tokoh adat nyaeta jelema asli tina suku anu cicing jeung hirup keur ngabdi di daerah eta keur kamajuan sukuna. Biasana tokoh adat anu jadi tokoh adat ayeuna turunan ti tokoh adat samemehna. Tokoh adat aya anu di pilih ku warga sorangan aya anu emang geus turunan jadi warga geus teu bisa ngusik kapamingpinan nana. Tokoh adat di daerah pasti boga ciri khas masing masing gumantung di suku mana hirupna. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "935", "text": "Urang salah sahiji penikmat radio, kabuktian nepikeun ayeuna masih aya radio di imah jeung sok disetel. Bagi urang pribadi mah radio salian ti jang hiburan, oge jadi media infromasi nu ngadidik. Komo deui warta-warta di radio sok update pisan, tiap jam pasti aya warta anu anyar, boh eta ngeunaan kamacetan, wilayah nu hujan di mana wae, jeung sajabana. Bagi urang radio jadi media hiburan teh sabab lagu-lagu nu didenge dina radio sok update jeung kekinian laguna, mindeng lagu-lagu dina Tiktok sok disetel dina radio. Urang mindengna nyetel radio teh pas isuk-isuk, sabari beberes imah, nyapu ngepel meh karasa aya nu maturan jeung teu tiiseun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9506", "text": "Nonton pilem di bioskop mangrupikeun salah sahiji kagiatan anu tiasa dilakukeun ku sadayana dina waktos senggang. Berikut cara sangkan urang bisa lalajo pilem di bioskop. Kahiji, pilih pilem nu hoyong ditonton. Biasana, informasi ngeunaan pilem anu bakal dipidangkeun di bioskop tiasa ditingali ngaliwatan situs panyadia informasi sapertos Google atanapi ngalangkungan media citak sapertos koran. Sakali anjeun terang pilem anu bade nonton, gera-gera meser tiket dumasar kana waktos tayang anu dipikahoyong. Tiket tiasa dipeser sacara online ngalangkungan situs penjualan tiket atanapi langsung di konter bioskop. Pastikeun meser tiket sateuacan dinten tayang supados anjeun henteu keseepan tiket. Sanggeus eta, datang ka bioskop dina waktu nu geus ditangtukeun. Pastikeun sumping rada awal supados tiasa mendakan korsi anu nyaman sareng nyimpen barang-barang sangkan teu ngaganggu ka penonton sejenna. Salajengna, antosan pilem dimimitian. Biasana, sateuacan film dimimitian, bakal aya iklan atanapi trailer pilem sanes anu bakal dipidangkeun. Lamun pilem geus dimimitian, simak pilem nu keur nonton. Tong hilap mareuman hape atanapi ngalitan polumeu supados henteu ngaganggu pilem. Sanggeus film rengse, ninggalkeun bioskop kalayan sopan tur ulah ngaruksak fasilitas nu aya. Ku kituna, anjeun geus bisa lalajo pilem di bioskop. Wilujeng nonton pilem anu dipikaresep!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4714", "text": "Di gawe di kantor anu jangkung jeung gede meunang ruangan anu aya AC na make seragam rapih eta teh pagawean impian anu loba di pikahayang ku generasi sababaraha tahun katukang, beda jeung jaman ayeuna loba jelema anu di sebut generasi milenial atawa generasi Z, generasi minelial jeung generasi Z anu biasana lahir di tungtung tahun 90 an nepi ka 2000 an, di gawe di kantoran dina jero gedung anu jangkung, gedung anu jangkung, dina ruamgan ber AC, make rapih jeung sajabana lain deui pagawean anu di pikahayang. Generasi milenial jeung gen Z leuwih senang jeung milih ngajieun usaha, usaha leutik leutik, uasaha UMKM jeung nu sejena. Ieu teh bisa kajadian ku sabab biasana generasi ieu umum na henteu nyaman lamun di gawe anu terikat, generasi ieu biasana oge leuwih kreatif jadina teu bisa di bere batasan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4926", "text": "Saung Mang Yeye mangrupikeun salah sahiji rumah makan nu katelah pisan kamana-mana. Alamatna nyaeta di Jalan Raya Kalijati, Subang. Saung Mang Yeye ngusung konsep rumah makan sunda nu nyayogikeun masakan khas urang sunda. Rumah makan ieu ayana di sisi kenca jalan pami ti arah Kalijati. Jumlah saung na seueur, aya kana dua puluh saung mah. Salian ti sasaungan, didieu oge aya kolam lauk leutik jeung tempat aayunan barudak. Sasaungan na mayun ka sawah hejo. Parkiranna lega di payuneun sasaungan, kanjat kangge 15 mobil mah. Barang asup ka rumah makan, urang langsung mendakan meja kasir kangge pesen tipayun teras ke dianterkeun ku pelayanna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9361", "text": "Pikeun anu gaduh pakarangan anu sempit atanapi halaman anu alit, ngagunakeun metode vertikultur pikeun pertanian mangrupikeun cara anu tepat. Sakumaha ngaranna ngakibatkeun, verticulture ieu maksimalkeun lahan nangtung pikeun prosés ngebon. Métode ieu cocog pisan pikeun ngokolakeun pepelakan anu umurna pondok sapertos sayuran. Urang tiasa nganggo metode vertikultur ieu pikeun melak rupa-rupa sayuran sapertos sawi, kangkung, seledri, kailan, pakcoy, dugi ka tomat. Metode ieu ogé loba model, ti ngagantung nangtung, napel, nangtung, nepi ka rak. Biasana, urang tiasa mendakan rupa-rupa modél pot pikeun verticulture atanapi ngahémat biaya, urang ogé tiasa nganggo pipa plastik 4 cm. Pikeun metode rak nangtung, urang tiasa ngagantung paralon nganggo tali di sisi sareng nutupan sisi nganggo plastik atanapi polibag. Teras lebetkeun media tanam sareng campuran taneuh, kompos sareng sekam dugi ka ngeusian pipa sareng nempatkeun bibit pepelakan dina unggal liang dina talang. Saatos éta, jaga pepelakan ku cara nyiram sacara teratur sareng perhatikeun sirkulasi cai dina metode nangtung anjeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5422", "text": "Salah sahiji kasenian adat khas ti Subang nyaeta Sisingaan atawa nu sering oge disebut odong-odong. Sisingaan tos aya ti zaman panjajahan keneh. Sairing perkembangan zaman, ayeuna bentuk boneka sisingaan teh tos seueur dimodofikasi supaya bisa narik perhatian penonton. Kuduna boneka bentuk singa, ayeuna mah digentosku rupa-rupa bentuk, aya nu manuk huluna tilu, naga huluna manuk, jeung sajabana. Hal ieu boga dampak positif dina narik penonton, tapi oge boga dampak negatif nyaeta lunturna kaaslian seni sisingaan. Jadi, sapantesna mah kaaslian sisingaan teh dipertahankeun, sabab justru eta nu janten ciri khasna teh. Yuk ah urang lestarikeun deui sisingan nu asli lewat media sosial supaya leuwih dikenal kaaslianna ku kabeh masyarakat!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6697", "text": "Gedang gaduh khasiat ngalancarkeun pencernaan. Gedang oge sae kanggo hate lantaran ngandung likopen. Ngadahar papaya paling ngeunah lamun ditiiskeun heula dina kulkas atawa bisa oge dirujak. Bagian ti tangkal gedang oge aya nu biasana dijieun buntil, nyaeta ti daun gedang. Buntil gedang biasana gaduh rasa anu pait, beda deui jeung buntil sampeu. Urang Sunda biasana resep ngadahar daun gedang sareng batangna langsung make sambel jeung sangu. Loba nu teu apal yen siki gedang oge gaduh mangpaat kanggo jalmi anu gaduh panyawat diabetes, carana tiasa diemam langsung sareng buahna, atau tiasa oge direndos teras dipoe janten bubuk. Siki gedang anu tos bubuk ieu tiasa dicampurkeun ka dahareun sapertos daging atawa sayur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7966", "text": "Salila pandemi damri anu biasana sok operasi di sababaraha tempat ayeuna tos ereun operasi lantaran bakal digentosan ku moda transportasi anyara nyaeta TemanBus, beus ieu sabenerna gaduh bentuk anu hampir sarua sareng damri, warnana bulao jeung korsina oge mirip. Tapi bedana nyaeta beus ieu mah leuwih tartib janten urang teu tiasa ereun di mana wae, kedah di haltena. Cara mayarna oge benten, nyaeta kedah make mode mayar tina hape nyaeta nganggo artos elektronik, janten teu tiasa nganggo artos biasa, tapi pangaosna ngan lima rebu rupiah. Abdi tos dua kali nganggo TemanBus, angkutan umum ieu cocok kanggo mahasiswa, komo jurusanna teh ti Jatinangor ka Dipatiukur ngan cekap nganggo sakali. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3575", "text": "Sebut wae ngaranna Luffy. Urang geus babaturan ti SMA. Geus 3 taun kuring sok sakelas jeung manehna. Éta saé janten babaturan sareng Luffy. Manéhna sok nyieun hal-hal lucu jeung teu jarang sakabeh kelas seuri dina guyonan na.\r\n\r\nAnu ngajadikeun urang babaturan deukeut nyaeta urang boga hobi sarua, musik, sanajan selera urang béda. Urang ogé manggung di pensi SMA babarengan jeung nu jadi salah sahiji kenangan favorit urang ti waktu urang di SMA. Kusabab hubungan urang caket, unggal urang peryogi bantosan, urang pasti bakal ditulungan. Tah, pas lulus SMA, si Luffy ieu sakali nginjeum cajon kuring, sabab butuh keur acara RT-na mun teu salah mah. Kuring bakal langsung nginjeum sabab kuring henteu peryogi waktos éta deui. Nalika acara réngsé, abdi nanya ka anjeunna datang ka imah pikeun balik Cajon. Mimitina, Luffy henteu kunanaon balik, tapi anjeunna henteu sumping sababaraha dinten. Kuring terus nanya naha manéhna teu datang, jeung manéhna sok ngomong yén manéhna bakal datang deui. Maju terus nepi ka sok poho sabab loba ceramah jeung kagiatan séjénna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6765", "text": "Akhir taun 2021 abdi dipasihan kasempetan kanggo ngiringan kegiatan mahasiswa di Pangandaran. Abdi sareng rerencangan salaku perwakilan UKM diundang ku rektorat kanggo sosialisasi UKM. Ieu pertama kalina deui abdi jalan-jalan ka luar Bandung saatos aya pandemi Covid-19. Sateuacan angkat ka Pangandaran peserta sadayana diswab heula, ieu oge pangalaman pertama kalina abdi diswab. Alhamdulillah hasilna negatif, teu aya nu positif. Sabari ngantosan peserta nu sanesna abdi popotoan heula di payuneun rektorat teras lebet ka beus. Arurang dipasihan sarapan sabari ngantosan peserta anu terlambat. Di Pangandaran urang datang ka kampus Unpad Pangandaran, teras ulin di pantai. Tim abdi janten juara pertama pas lomba di pantai.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3554", "text": "Salian ti éta, Bank Jago ogé ngayakeun survey pikeun mikanyaho kabiasaan jeung tangtangan masarakat dina ngokolakeun kauangan. Tina diskusi anu panjang sareng survey, dipikanyaho yén salah sahiji masalah ageung anu disanghareupan nyaéta seueur tanggungan (generasi sandwich), henteu gaduh kontrol kauangan anu saé, sareng tingkat literasi kauangan anu rendah. Naon deui, lamun dilarapkeun kana pamakéan fitur aplikasi Jago. Ieu bakal ngamungkinkeun para pangguna ngajantenkeun perencanaan kauangan langkung senang, gampang, inovatif sareng kolaborasi sareng kulawarga sareng anu dipikacinta. Samentara éta, panaséhat Keuangan Philip Mulyana nambihkeun, program Fintamin dirumuskeun jadi resep anu ampuh dina ngajawab masalah kauangan generasi Indonésia. “Nepi ka tingkat idéal, tangtu kudu ngamimitian heula. Loba nu nungguan, engke duitna geus cukup. Malahan, beuki gancang urang mimiti nyokot léngkah pikeun ngatur kauangan anu hadé, tangtu hasilna bakal leuwih optimal,” pokna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4250", "text": "Indonesia boga seni budaya anu teu kaitung jumlahna, mulai ti lagu tradisional nepi ka tarian tradisional . Salah sahiji tariantradisional anu paling terjkenal di indonesia nyaeta Tari Kecak anu asalna ti daerah Bali. Seni tari ieu biasana dipintonkeun sacara masal ku puluhan malah ratusan penari lalaki anu diuk dina pola melingkar. Pementasan tari kecak rutin di pitontonkeun di bali eta nu ngajieun tari kecak jadi babari kasohor, tari kecak jadi saah sahiji daya tarik budaya anu di perkenalken ka para wisatawan di bali. Wisatawan di bali loba ti luar negeri, maranehna resepeun pisan kana seni jeung tradisi salah sahijina nya tari kecak ieu. Tati kecak disebut tari Kecak, sabab lamun dimaénkeun irama musikna, para penari baris ngangkat jeung ngagerakkeun leungeunna bari ngagorowok kecap “cak kecak kecak kecak”.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "851", "text": "Indonesia eleh 2-3 ngalawan Malaysia, ku hasil ieu Indonesia gagal lolos ka semifinal Sudirman Cup. Partai tadi koncina nyaeta di ganda putra lantaran Indonesia jeung Malaysia boga ganda putra nu cukup kuat, jadi partai koncina di ganda putra. Lamun Indonesia tadi meunang meureun geus beres di Single Putri nyaeta Gregoria atawa di Ganda putri nyaeta Greysia Apriyani. Greysia Apriyani di pertandingan pas di Sudirman Cup konsisten, alus, jeung mere point keur Indonesia. Sanajan persiapan saenggeus olimpiade cukup padet jadwalna. Mun ti pihak lawan, Lee Zii Zia cukup bisa diapresiasi lantaran penampilanna beuki gancang saenggeus dicepengan ku pelatih Hendrawan anu asalna ti Indonesia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4493", "text": "Defia Rosmaniar (lahir 25 Méi 1995) nyaéta atlit Indonésia. ngaran Defia Rosmaniar kasohor pisan pas nyumbangkeun medali emas pikeun Indonésia dina Asian Games 2018.Kabeh mata penonton jeung warga indonesia langsung nyorot ka defia rosmaniar termasuk prsiden jokowi. Defia Rosmaniar mimiti diajar taekwondo dina taun 2007 nuturkeun léngkah lanceukna. Anjeunna milu dina Asian Games 2013, acara multi-olahraga internasional munggaran dina yuswa 18 taun sareng meunang medali perunggu dina tim awéwé sareng pasangan campuran. Manéhna ngawakilan Indonésia dina Asian Games Indoor and Martial Arts 2017 sarta meunang medali perunggu dina acara individu awéwé sarta mangrupa bagian ti regu awéwé Indonésia anu meunang pérak dina acara tim.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4497", "text": "Latihan mangrupa hal anu kudu dipigawé pikeun ngaronjatkeun kaséhatan awak. Henteu ngan éta, olah raga ogé ngagaduhan sababaraha kauntungan, sapertos ngabantosan ngirangan beurat sareng ngawangun otot. Kiwari, olah raga bisa dipigawé iraha waé jeung di mana waé, jadi teu kudu repot ka gim atawa maké pakakas husus. Salaku conto, ngan ukur nganggo mat yoga, anjeun parantos tiasa ngalakukeun latihan, latihan lantai, sareng jinis olahraga anu sanés. Praktis pisan, kan? Nanging, milih mat yoga henteu tiasa dilakukeun sacara acak. Aya hal-hal anu kedah diperhatoskeun supados mat yoga anu anjeun pilih cocog sareng tiasa dianggo dina jangka panjang, sapertos nimbang ketebalan mat kana bahan dasar anu dijieuna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4610", "text": "Mesin cuci mangrupikeun salah sahiji alat éléktronik rumah tangga. Fungsi mesin cuci ieu tangtuna pikeun mantuan nyeuseuh anjeung meresihan baju tapi teu ngan baju mesi cuci bisa mersihan sagala bahan bisa horden, selimut nepi ka boneka. Ieu anu ngajadikeun mesin cuci salah sahiji produk produk éléktronik anu payu jeung di pikahayang ku loba jelema utama na ku ibu ibu, kumargi dirasakeun bisa ngagampangkeun pagawean jadi leuwih gampang jeung gancang ti pada ngumbah sacara tradisional atanapi manual. Mesin cuci modern sorangan fungsina henteu ngan ukur nyeuseuh sareng ngabersihan. Sababaraha mesin cuci modéren ogé dilengkepan ku fungsi pengering sareng fitur modéren sanés pikeun nyeuseuh baju dumasar kana bahan sareng jinis baju anu badé dikumbah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5004", "text": "Minggu kamari abdi sakulawarga ngalongok nini nu imah na di deukeut pantai. Balik tiditu ngahaja nyimpang ka pelelangan rek neangan kerang dara. Kerang dara didieu teh harga na dua puluh rebu sakilo. Eta teh harga karek dihanjatkeun tina parahu. Sakitu mah kaitung murah. Buru-buru we abdi teh meser tilu kiloeun. Tos kitu abdi tuluy uih we ka bumi. Tah sanepina di bumi eta kerang dara teh diasakan ku abdi make bumbu asam manis. Beuh ngeunah pisan dituang na teh, sarerea ge deudeuieun. Asa na mah meser tilu kilo teh ngan sakoteap. Ah pami kieu mah centeh kedah meser deui kin upami kaditu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8869", "text": "Lanceuk kuring anyar meuli mesin cuci. Ngan hanjakal sok sanajan aya mesin cuci, manehna mah angger we nyeuseuh bajuna pituin teh ku panangan. Lain pedah embung ngagunakeun mesin cuci, tapi anjeuna teu wani make teh sabab sieun salah da teu apal kumaha cara ngagunakeunana. Ningal kaayaan kitu kuring milu mangkarunyakeun. Keur naon susah susah nyeuseh ku panangan ari aya nu leuwih gampang. Awahing ku karunya, kuring ngawanikeun maneh meredih ka nu jadi lanceuk ipar kuring nyaeta garwana ki lanceuk supaya daek mapatahan lanceuk kuring cara ngagunakeun mesin cuci ngarah anjeuna tiasa nyeuseh ku sorangan ku mesin cuci. Alhamdulillah, tisaprak harita, ki lanceuk tara nyeuseh deui ku panangan. Anjeuna geus bisa nyeuseh ku mesin cuci. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7649", "text": "Aya sababaraha faktor anu ngajadikeun bisnis urang teu maju-maju, di antarana nyaeta lantaran urang teu ngalakukeun perencanaan dasar. Konsep atawa rencana awal mangrupakeun hal anu penting kanggo satiap pangusaha sangkan usahana tiasa dijalankeun jeung tungtungna bakal ngahontal tujuan anu diharepkeun. Konsep dasar anu dijieun eta teh kedah sederhana lantaran supados tiasa dilakukeun dina mimiti urang ngajalankeun bisnis. Konsep jeung rencana ieu ige ngabantosan urang supados konsisten ngajalankeun bisnis lamun di tengah jalan urang meunang halangan. Urang oge janten moal gampang pasrah lamun usaha urang mulai nyanghareupan karugian. Urang oge kedah nyiapkeun rencana lamun ngke usaha urang janten rugi di tengah jalan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2772", "text": "Naha anjeun kantos ngalaman yén stb tv digital muncul kalayan kecap \"No Radio Channel!\"? Nalika dipareuman sareng dihurungkeun, éta tetep henteu leungit. Baheula nepi ka kuring ngareset setelan stb. Tétéla cara nungkulanana gampang pisan. Kieu kumaha carana ngalereskeun No Radio Channel dina stb tv digital. The set top box anu ku kuring dianggo nyaéta Apple Matrix beureum. Tapi sababaraha merek sejen oge ampir sarupa dina penampilan. Janten upami anjeun ngalaman hal anu sami maka tip ieu tiasa dianggo. Pintonan nalika No Saluran Radio muncul sapertos poto di handap ieu. Pikeun ngungkulan ieu, cara anu gampang pisan, nyaéta ku mencét tombol \"Radio\" dina stb jauh. Lajeng stb bakal balik deui ka acara tv. Tah kitu carana gampang kan lur.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7034", "text": "Ti leutik Nabi Yusuf hirup sareng bapa jeung lanceukna. Hiji poe Yusuf ngimpi ningal sabelas bentang, panonpoe jeung bulan sujud ka manehna. Yusuf langsung nyaritakeun ngimpi eta ka bapana, Nabi Ya'qub.Yusuf teu meunang nyaritakeun ngimpi eta ka sasaha, hawatos bisi lanceuk-lanceukna nyilakakeun Yusuf. Hiji waktos Yusuf jeung lanceukna ulin, tapi hanjakal Yusuf dialungkeun ka jero sumur, lanceukna ngabohong, bejana Yusuf didahar ku sasatoan. Untungna Yusuf disalametkeun ku rombongan musafir, manehna dijadikeun budak. Tapi lantaran sifatna anu sae, manehna tiasa diangkat janten jalmi anu dipikahormat di karajaan. Yusuf teu kahaja papanggih jeung lanceukna anu baheula ninggalkeun manehna. Lanceuk-lanceuk Yusuf menta dihampura ku Yusuf, Yusuf teu boga dendam. Manehna tetep bageur ka lanceukna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4533", "text": "Bungee jumping nyaéta olah raga anu dilakukeun ku cara luncat tina jangkungna sapuluh méter luhureun beungeut cai. Dilengkepan tali kaamanan sareng pendamping anu berpengalaman, kagiatan ekstrim ieu sering diburu ku pencinta adrenalin. Harti kecap bunge nyaéta karét dina tali anu kudu napel nalika nyieun luncat. Ku sabab dijieunna tina karét, lamun jumper geus nepi ka titik panghandapna atawa geus deukeut ka beungeut cai, awakna bakal rada ditarik ka luhur deui. Ieu bakal nyegah nganiaya beungeut cai dina sirah. Di Indonésia, bungee jumping geus cukup populér, ngan teu loba jalma diajar salaku olahraga. Kalolobaan jalma ngalakukeun eta salaku bagian tina salah sahiji pilihan rekreasi maranéhanana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7186", "text": "“Cak, Cak, Cak” nyaeta sora has anu biasa kadangu lamun ningali pintonan Tari Kecak Bali. Tari Kecak ieu mangrupa seni drama tari anu dimaenkeun ku 50 nepi ka 150 penari. Sakumaha ngaranna, tari ieu diwangun ku penari, lolobana lalaki anu diuk sila dina bunderan. Papakean anu dianggo nyaeta sarung jeungkaen pasagi anu warnana hideung bodas siga papan catur anu ditalikeun bunderan dina cangkeng penari. Tari ieu dipidangkeun nalika aya acara, tamu, atawa nu sejenna. Tari Kecak janten salah sahiji tarian anu kasohor di Pulo Bali. Henteu ngan ukur kasohor, tarian ieu biasana oge dianggo pikeun upacara ngabageakeun tamu, oge upacara kaagamaan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4639", "text": "Dina ngembangkeun téknologi industri sareng otomatisasi nyorong jalma pikeun nyumponan kabutuhanna gancang jeung praktis . Janten téknologi robotika dikembangkeun pikeun ngabantantuan jeung ngaringankeun pagawean manusa ka hareup na. Salah sahiji contohna aya Robot anu bisa nganteurkeun dahareun pengikut garis nyaéta robot anu diciptakeun pikeun ngagentos peran palayan di réstoran. Robot ieu miboga kamampuh pikeun nganteurkeun kadaharan sacara otomatis. Robot pangiriman menu dahareun ieu ngagunakeun konsép Line Follower, anu nuturkeun lintasan ka tabel anu tos ditangtukeun. Nulis kode program maké Arduino IDE 1.6.5 sarta ngagunakeun program basa Basic4Android pikeun ngadalikeun robot. robot ieu ngagunakeun 2 roda na 1 bebas roda nu disimpen di hareup. Sénsor anu digunakeun nyaéta sénsor fotodioda minangka 6 sénsor pikeun navigasi robot sarta robot ieu ngan dikawasa ku Android. Sahingga sistem sakabéh robot pangiriman dahareun ieu bisa fungsina leres.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "62", "text": "Food Stylist salah sahiji pagawean nu berhubungan jeung masakan. Ieu pagawean saluyu oge jeung food photographer ngameh dahareun katinggali artistik. Aya cara supaya dahareun katinggali ngeunah di dahar. Kahiji milih piring atawa wadah ngameh batur nu ninggali tetep fokus kana dahareun. Leutik gede na piring bisa disasuaikeun jeung kabutuhan. Kadua ngatur posisi jeung porsi dahareun, carana ngatur titik fokus dahareun diteundeunna di bagian sisi piring, lain di tengah. Nu katilu perhatikeun oge bahan dahareun baseuh atawa garingna, kudu dipisahkeun lantaran mun nu baseuh mah sok ngalir caina. Nu terakhir penyajianna dina jumlah anu ganjil, sabab jumlah ganjil leuwih menarik jeung nyieun batur ngarasa meunang leuwih loba.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7159", "text": "Peso Belati mangrupakeun salah sahiji senjata tradisional ti Papua. Senjata ieu dianggo pikeun ngajaga diri tina serangan musuh atanapi serangan anu sanes. Di balik ieu, keris has Papua cukup populer sarta dipikawanoh, sabab gaduh kaunikan. Naha disebut unik kusabab bahan utama pikeun nyieun senjata ieu beda jeung senjata tradisional umumna nyaeta ti tulang kasuari. Sanajan dijieun tina tulang kasuari, senjata ieu lumayan seukeut tur bisa maehan musuh atawa target. Salian ngagunakeun tulang, bulu manuk oge dipake ditapelkeun dina gagang keris. Kaunikan sejen peso belati ieu nyaeta ayana kerang salaku hiasan senjata. Kerangna aya dina gagang pakarang nu napel sareng bulu kasuari.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7140", "text": "Masarakat Sumatera Utara (Sumatera Utara), hususna urang Batak, geus teu asing kana lagu “Butet”. Lagu ieu asalna ti Tapanuli Utara, Medan. Penyanyi anu ngapopulérkeun lagu “Butet” nyaeta Jessica Nainggolan. Tina rupa-rupa referensi, te tiasa dipastikeun saha nu nulis lagu “Butet”. Butet sorangan mangrupa landihan pikeun budak awewe di masarakat Sumatera Utara. Lgu ieu nyarioskeun ngeunaan bapa anu nuju perang jeung ngarasa kangen ka putrina. Sanajan kitu, upama nitenan lirikna, lagu “Butet” teh mangrupa carita indung ka anakna anu disebut Butet. Harti tembang “Butet” nyaeta usaha indung nu keur nasehat ka anakna, Butet, sangkan ulah sedih. Sabab, bapana nuju perang di medan gerilya.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3569", "text": "Abdi émut, 3 taun kapengker nalika Aisyah ngaréngsékeun pendidikan dasar gunung jeung leuweung (PDGH) di Sisgahana salami 4 dinten, Aisyah janten jalmi anu langkung sae, langkung kuat, wijaksana sareng langkung bersyukur. Abdi terang, nalika Aisyah dugi ka ahir PDW, tanggal 28 Agustus, saatos 30 dinten teuas ngajalin ku alam, Aisyah bakal janten jalma anu langkung kuat, langkung saé, langkung bijaksana sareng mudah-mudahan langkung bersyukur.\r\n\r\nAisyah mah, uih deui neraskeun atikanna saatos 1 dinten kapok kamari, sanaos jalanna masih ngahalangan sabab sukuna lepuh sareng bareuh, sumanget pisan pikeun ngaréngsékeunana. Sababaraha chassis mutuskeun teu nuluykeun atikan maranéhanana pikeun sagala rupa alesan, sarta sababaraha chassis dikirim ka imah alatan masalah médis sarta sababaraha nyerah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8046", "text": "Aya hiji lalaki ngaranna Budi anu mutuskeun pikeun muka toko alat olahraga di wewengkon maranehanana. Budi boga karep jeung minat kana rupa-rupa olahraga, sarta manehna nyangka yen muka toko barang olahraga bisa jadi jalan pangalusna pikeun ngajalankeun bisnis nu cocog hobi jeung kapentingan na. Budi mimiti ngararancang toko barang olahraga, milih lokasi anu strategis sareng desain interior anu pikaresepeun. Anjeunna oge milih rupa-rupa produk olah raga kualitas pikeun dijual di toko na, kalebet sapatu jalan, basket, reket tenis sareng seueur deui. Dina poe mimiti warung dibuka, Budi gugupay tapi sumanget pisan. Anjeunna siap ngalayanan konsumen dina ragam ramah tur mantuan aranjeunna milih alat olahraga nu cocog kaperluan sarta kapentingan maranehanana. Saatos sababaraha jam, toko mimiti rame sareng para palanggan anu resep meser rupa-rupa barang olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5770", "text": "Unggal pertandingan kejuaraan nasional arung jeram teh sok dilaksanakeun minimal genep poe. Poe mimiti jeung poe kadua teh sok dilaksanakeun official training run (OTR) atawa uji coba jalur. Jadi kabeh atlet teh diwioskeun nyobian jalur dina wantu jeung jarak nu toa ditangtukeun panitia. Poe katilu nembe diayakeun siding kangge nentukeun posisi star pas pertandingan. Poe kaopat nembe we upacara pembukaan pertandingan nu dilanjut ku pertandingan nomor lomba sprint sareng head to head. Poe kalima nomor lomba slalom atawa pertandingan nu ngalintasan gawang di wahangan. Poe kagenep nomor lomba down river race atawa pertandingan jarak panjang. Mun beres pertandingan terakhir, sok langsung aya upacara pengalungan medali jeung penutupan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6615", "text": "Saha nu teu apal cireng? Kadaharan andalan urang sunda ieu janten paporit sagala kalangan, ti ibu-ibu nepika barudak pasti resep kana cireng. Rasana asin genyal-genyal tapi kriuk di luarna. Komo deui lamun ditambah eusian macem-macem sapertos baso, keju, suwir hayam, jeung bumbu pecel. Adonan cireng biasana lembut jeung lantaran didamel ti tipung aci anu dicampur cai ngagolak nepika kacampur teras dicetak. Aya nu bentuk biasa, aya oge nu bentuk lope, kotak, aya oge nu bentukna siga karoket. Umumna cireng warnana bodas lantaran bahanna ti sampeu, tapi aya oge tukang cireng anu nambihan tarasi ka adonan cireng anu ngajadikeun cireng warnana janten ping.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6746", "text": "Di Jepang, seeur pisan hotel kapsul. Hotel kapsul asalna disadiakeun kanggo pagawe anu teu sempet mulih ka bumi lantaran kedah lembur digawe nepi ka wengi, janten milih mondok di hotel kapsul anu pangaos na langkung mirah ti pada hotel biasa. Naha bisa mirah lantaran hotel ieu bentukna sapertos kapsul alit, anu ngan cekap jang saurangeun hungkul. Dina jero kapsul, ngan aya hiji kasur, jeung tempatna oge rada heurin. Janten, upami urang bade ka kamar cai tiasa nganggo kamar cai anu aya di luar. Mondok di hotel kapsul urang kedah ngahargaan jalmi nu sanes, lantaran biasana jarak ti kamar hiji jeung kamar nu sanes dekeut pisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2426", "text": "Lamun diitung-itung, ti leuleutik mah geus puluhan kali nganjang ka Kota Yogyakarta, tapi tetep, ngeunah jeung unik rasa Gudeg Yogyakarta sok ngajadikeun kuring sono ka kota ieu. Gudeg sorangan mangrupikeun kuliner khusus sapertos Es Pleret Blitar, Ayam Betutu Bali, tapi ieu ngan ukur tiasa dipendakan di Kota Yogyakarta. Gudeg asalna tina kecap Jawa, nyaéta gudheg, nyaéta kadaharan asli ti wewengkon Yogyakarta jeung Jawa Tengah, dijieun tina bahan utama nangka ngora asak jeung santan. Masakna oge rada lila, nepi ka asak-asakna butuh jam-jaman. Sanggeus asak, warna kadaharan ieu condong jadi coklat. Warna semu coklat ieu disababkeun ku daun jati anu asak babarengan. Sajian gudeg biasana sok didahar ku sangu, santan kentel (areh), hayam geprak, endog, tahu jeung sambel goreng krecek.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1619", "text": "Perubahan gaya hirup di desa nu kajadian ayeuna ieu bisa dirasakeun ku masarakat, utamana masarakat nu cicing di pedesaan. Ku ayana teknologi, masarakat desa bisa ngamangpaatkeun teknologi, siga patani geus mulai ngagunakeun traktor sawah jang ngagantikeun tanaga sapi atawa munding jang ngagaru, hasil bangsal nu dicokot ti sawah tuluy ngagunakeun alat penggiling jang mesek kulit tina beas, jeung sajabana. Masarakat bisa ngamangpaatkeun teknologi, tapi aya rasa hariwang ngeunaan teknologi teh nyaeta penggunaan teknologi nu salah boh eta budak leutik oge dewasa. Ayeuna mah katinggali di desa urang wae ge loba masarakat desa nu ninggalkeun sistem gotong royong jeung loba masaraka desa anu mulai apatis.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3995", "text": "Basa tahun 2018 urang jeung kabeh kulawarga nu di bekasi liburan bareng ka puncak bogor. Urang jeung kabeh kulawarga sabenerna boga niat pikeun ngahibur jeung ngajak jalan jalan nini nu ges kolot teu bisa kamana - mana pikeun teu jenuh jeung ceria deui. Urang mangkat liburan jeung kabeh kulawarga nyaeta kulawarga anak anak na nini. Nini ngagaduhan 9 anak jeung 17 incu oge teu pho aya cicit- cicit. Urang mangkat liburan kurang leuwih opat puluh orang. Urang mangkat naek bes, Jam 9 isukurang kabeh kumpul terus ngadoa tulung mangkat. Kuduna sememeh dhuzur ges nepi tapi di jalan macet pisn jadi nepi ashar. Ges sholat urang langsung ka vila heula nu ges di pesen keur beberes jeung istirahat. Isukan na karek urang ulin ka tempat wisata alam lain.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1602", "text": "Nu mimiti istirahat jeung sare anu cukup, kurang sare jeung cape bisa beuki stres. Ku sabab kitu, sare nu cukup jeung istirahat cukup hiji hal anu kudu jang mengatasi stres. Tuluy olahraga anu teratur. Olahraga bisa mantuan urang ngurangan stres jeung ningkatkeun kasehatan sacara sakabeh awak. Olahraga sahenteuna 30 menit unggal poe bisa mantuan urang ngaleungkitkeun stres. Penting oge jang ngajauhan kabiasaan anu teu sehat, nyaeta ngaroko, nginum alkohol, atawa ngonsumsi obat-obatan nu diulahkeun bisa memperburuk stres. Ku sabab kitu, ngajauhan kabiasaan anu teu sehat bisa mantuan ngurangan stres. Nu terakhir urang bisa nyieun jadwal nu teratur jang mereskeun tugas-tugas sacara bertahap, ieu oge bisa mantuan ngurangan tekanan jeung stres.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5772", "text": "Dina unggal gelaran pertandingan olahraga, pasti aya wae unsur nonteknis anu ngaruh kana hasil pertandingan. Jadi, sportivitas teh saolah-olah jiga barang langka nu hese ditemukeun, bahkan hampir teu bisa ditemukeun dina pertandingan olahraga. Ayana kapentingan suatu golongan jeung tujuan tertentu, ngajadikeun hal nonteknis teh jadi sumbangan pengambilan keputusan bahkan tina hasil olahraga terukur sakalipun. Hal ieu teh tentu ngacederai nilai sportivitas dina perhelatan olahraga. Kudu na mah hal nu kieu teh bisa dihindari supaya muncul objektivitas jeung sportifitas. Ulah nepi ka ngutamakeun hal nu teu perlu ayana. Yuk urang junjung tinggi sportifitas ku cara lakukeun nu terbaik jeung saobjektif mungkin!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4619", "text": "Dina era digital jeung soacial media kamera jadi alat anu sakabrh jelema boga, meski teu boga kamera profesional tapi bisa ngagunakeun kamera handphone. Salian ti kabutuhan keur hiburan jeung tetep aktif di social media, tina kamera oge ayeuna bisa ngagawekeun loba pagawean, contohna jaman ayeuna aya nu ngarana youtubers jeung selebgram anu ngabagikeun hirupna liwat socila media ngagunakeun kamera. Ti dinya oge jadi loba pagawean pagawean anu ngagunakeun kamera keur nunjang youtubers jeung selebgram eta aya fotographer jeung cameraman, anu pagaweanna ngameraan jeung ngajieun konten. Konten nu di jieun ieu anu di jadikeun bisnis, bisa ngapromosikeun usaha anu biasa di sebut endors.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2017", "text": "Mimitina, urang ngarepkeun pilem Event Horizon janten pilem sci fi anu saé, sareng kami ningali éta dina jadwal malem. Dina awal film, Teu sangka, oke, meureun ieu téh thriller sci fi, jeung Abdi resep pisan pilem horor. Sareng, kumargi ieu film Sci Fi, tangtos tema sci fi langkung menonjol tibatan tema horor, janten henteu masalah, leres? Film ieu sabenerna nekenkeun horor psikologis tinimbang tema sci-fi. Tokoh monster utama teu katempo malah nepi ka ahir film, ngan tanda ayana na dipintonkeun uniquely tur éféktif. Sareng anu paling pikasieuneun nyaéta kanyataan yén téater pinuh, tapi - kuring émut ogé - teu aya anu ngajerit nalika pamandangan jumpscare sareng kejutan anu atra katelah nieun sieun. Urang sadayana kapaku kana korsi, pastina panon urang teu bisa lengeh tina layar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5013", "text": "Lamun rek meuli lauk laut atawa seafood mending ka tempat pelelangan na langsung, ulah ka eceran. Di tempat pelelangan mah seafood nu dijual na leuwih seger jeung hargana leuwih murah. Seafood na oge leuwih rupa-rupa, ti mulai jenis na, ukuran nana, tingkat kasegeran nana, jeung harga nu biasana rada pangaruh tina jumlah meulina. Komo mun tos gaduh langganan mah pasti hargana dimurahkeun pisan. Dari pada meser di pasar, nya harga na mahal da tos sababaraha tangan, seafood na oge teu seger, jeung pilihan lauk na nu terbatas. Tah, sabab eta mending ti ayeuna mah meuli seafood na ka pelelangan wae, bari ulin ka pantaina sakalian. Seafood nu dipikahoyong na pasti leuwih seger jeung loba pilihan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "545", "text": "Bisa disebut lamun usia senjata tradisional ampir sarua jeung mimitina peradaban jelema. Pas jelema aya, bisa dipastikeun senjata tradisional geus aya oge. Hal ieu ku sabab senjata tradisional dijieun ku jelema jang ngalengkepan kabutuhan hirupna. Aya sababaraha lengkah nu kudu dilakukeun ku pamarentah. Nu kahiji, pamarentah kudu ngapopulerkeun deui senjata tradisional ngaliwatan kementrian terkait. Cara nu dilakukeun bisa dijieun infografis jeung videografis. Kadua konten eta bakal narik masarakat nu ayeuna leuwih resep tampilan visual dibandingkeun tulisan hungkul. Lengkah salajengna nu kudu dilakukeun pamarentah teh nyaeta nyieun museum atawa festival sacara gede nu ngangkat ngeunaan senjata tradisional. Hal ieu tangtuna nu bakal nyieun senjata tradisional beuki dikenal ku masarakat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8060", "text": "Ekskul-ekskul di SMAN 1 Sukabumi keur ngabuka penerimaan anggota anyar. Rupa-rupi persaratan dibutuhkeun pikeun daftar ka masing-masing ekskul. Aya oge ekskul nu penerimaan anggotana make acara seleksi sagala, sapertos renang. Upami bade daftar ekskul renang teh aya tahapan-tahapanna. Kahiji, urang ngisi formulir pendaftaran nu eusina biodata urang, sapertos ngaran, yuswa, jenis kelamin, sareng alamat. Saatos kitu tahap kaduana nyaeta tes renang. Tes renang didieu lain tes renang anu kudu jago, ngan saukur tes nu bakal nempokeun urang teh saleresna tiasa atanapi heunteu renang. Upami tos lolos tes renang, wilujeung katarima di ekskul renang nanging tong poho mayar biaya anggota kanggo nyewa tempat latihan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1630", "text": "Naek kereta api teh ngeunaheun pisan, boh eta pas perjalanana oge pas nungguan di stasiunna oge. Teu kawas baheula anu pasesedek, komo pas di jero keretana loba nu jualan kaditu kadieu nu matak teu nyaman. Tapi ayeuna mah geus beda kereta api di Indonesia teh, bersih jeung euweuh nu jualan sambarangan. Tempat diukna oge tertib geus aya nomeran jadi moal pahili jeung batur. Kamar cai jang ngompolna oge beresih, jadi ieu nu nyieun nyaman. Urang oge bisa mawa dahareun pribadi kana kereta api, tapi ulah dahareun anu bauna menyengat bisina ngaganggu ka batur. Mun di kereta oge ngobrolna tong tarik soalna bisi ngaganggu ka batur.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3072", "text": "Mimitina mah modal 300.000, abdi nyandak 3 unit barang kalawan harga 100.000 per unit, teras dijual deui 170.000. Anu, nalika dijual deui, kauntungan bersih tina penjualan barang-barang ieu per unit nyaéta 70.000. Cara ngokolakeun artos penjualan ieu, upami barangna masih laris 1 unit, abdi moal langsung narik artos heula, abdi bakal ngagilir artos nalika dijual sadayana 3 unit. Upami sadaya barang ieu dijual, hartosna omzet abdi di dieu parantos ngahontal 510.000, anu mana kauntungan bersih tina penjualan ieu 70.000 x 3 = 210.000. Janten, kuring nganggo kauntungan bersih ieu pikeun ningkatkeun modal bisnis kuring ku 80℅, anu kuring nganggo 20℅ sanés pikeun dana darurat bisnis kuring.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6668", "text": "Di Indonesia teu acan aya merek bubur instan anu tiasa ngadamel bubur anu sarua persis sapertos bubur asli. Merek bubur instan aya, tapi pas ditinyuh geningan bentukna siga sanes bubur, rasana oge bener-bener ngan rasa penyedap hungkul. Kanggo saha wae anu butuh bubur tapi nuju teu aya tukang bubur wayahna kedah ngadamel bubur heula nyalira, tapi lamun keur butuh pisan ayeuna masak bubur heula bakal lami pisan, komo bubur teh ngadamelna henteu sakedap, kudu sabar nepika beas na janten bubur. Geningan Super Bubur teh teu tiasa ngagantosan bubur biasa upami urang keur hoyong emam bubur anu gancang. Beda jeung emih, emih instan tos tiasa ngagantosan emih biasa anu didamel langsung di bumi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3929", "text": "Seafood emang salah sahiji masakan atawa dahareun nu loba di pika reuseup ku loba jalma, rasa seafood atawa makana laut nu seger ku sababb loba oliheun dahareuna biasana di sadiakeun dalam kaayaan hidup keneh, urang nu rek meuli bisa milih sorangan nu mana nu rek di pasak tuluy di dahar, urang ge bisa milih sorangan rek di masak na di kumahakeun di bungbuan naon wae. Salah sahiji seafood nu loba penggemarna teh keptiting atawa keuyeup. Rasa na nu amis jeung seger komo di bungbuan make saos padang nu lada jadi rasa na istimewa nyieun loba jalma katagihan. Tapi seafood khususna kepiting ieu ngandung kolesterol jadi teu alus pikeun kasehatan lamun di dasar na sering. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4525", "text": "Renang mangrupa olahraga anu mindeng atawa sering di lombakeun dina sagala rupa acara olah raga di tingkat régional, nasional jeung internasional. Ngojay nyaéta olahraga anu dilakukeun dina jero cai. Dimana ku mindahkeun ngagerakeun hampir sakabéh bagian tumuwuh. Dina ngojay aya opat rupa gaya, nyaéta gaya dada, gaya punggung, gaya kupu-kupu jeung gaya bébas. Aturan dina olah raga jeung pertandingan ngojay ieu mangrupikeun aturan anu di sasuaikeun jeung jinis gaya ngojayna. Beda cara ngojay nu di pertandingkeuna hartina beda oge aturan jeung paraturan anu berlaku. Sanajan kitu, dina pertandingan ngojay aya aturan anu sarua, nyaéta garis awal dimimitian nalika swimmer di tepi kolam renang atawa garis mimiti nyirian kotak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3543", "text": "Para nonoman, tétéla rata-rata awéwé geus boga rencana cadangan lamun papisah jeung kabogohna, nyaho. Awéwé mikiran lalaki séjén pikeun marengan poéna.Dina laporan Daily Mail, anu dicutat tina kaca India Today, Jumaah (13/01/2023), aya kanyataan yén awéwé kawin leuwih gampang boga pilihan kadua dibandingkeun. ka nu can kawin .Ulikan nyebutkeun yén dina kalolobaan kasus, lalaki nu dijadikeun cadangan téh sobat heubeul, nu harbored perasaan ka awéwé, atawa bisa jadi urut kabogoh.Jumlah 1.000 awéwé. nyandak bagian dina survéy sarta sababaraha di antarana ogé ngomong yén maranéhna boga lalaki cadangan maranéhna geus dipikawanoh salila tujuh taun. Samentara éta, hiji di sapuluh awéwé geus sabenerna dikedalkeun parasaan maranéhna pikeun lalaki cadangan maranéhna. Kanyataanna, leuwih ti opat dina sapuluh awéwé nyebutkeun aranjeunna geus intim jeung lalaki séjén salila hubungan maranéhanana jeung pasangan maranéhanana. Perasaan awéwé ogé sarua jeung pasangan maranéhanana jeung cadangan lalaki.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3625", "text": "Abdi kantos sakola di SMA negeri di Jakarta Selatan. Sapertos anu kacatet sateuacana, biasana abdi mudik sareng Metro Mini 69 Blok-M - Ciledug. Carita lumangsung di salah sahiji mini metro ieu.\r\n\r\nHiji soré sanggeus sakola, kuring jeung babaturan nuju jalan ka mini metro. Urang diuk dina korsi deukeut kaluar deui. Kaayaan mini metro harita rada sepi, sababaraha korsi kosong teu aya nu nangtung.\r\n\r\nDi tengah jalan ujug-ujug aya busker transgender (punten) naék ngaliwatan panto hareup. Kalayan make-up luhur sareng retakan, anjeunna ngamimitian nyanyi. Abdi sareng rerencangan teu dipalire teras ngobrol.\r\n\r\nDina ahir lagu, busker lajeng dimimitian handing kaluar bungkusan permén plastik dipaké pikeun panumpang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2644", "text": "Sateuacan jogging, penting pikeun milih sapatu jalan anu cocog sareng suku anjeun sareng ngarasa nyaman dina suku anjeun nalika anjeun ngaléngkah. Salian faktor kanyamanan, milih sapatu anu pas ogé tiasa ngirangan résiko tatu.\r\nLamun geus biasa jogging, hal anu penting pikeun nengetan kaayaan sapatu dipaké. Lamun karasaeun goréng dipaké, teu pas, atawa robek, mangka waktuna pikeun ngaganti sapatu ngajalankeun anyar.\r\nSalian ti sapatu, milih baju anu pas ogé penting pikeun ngajaga kanyamanan nalika jogging. Pilih baju olahraga kalayan bahan anu gampang nyerep kesang, sapertos spandex, katun, atanapi poliéster. Anjeun tiasa milih baju kasual, sapertos kaos oblong, calana jogging, atanapi kolor, kanggo jalan-jalan. Pikeun awéwé, aya bra olahraga khusus sareng leggings anu nyaman dianggo nalika jogging.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8831", "text": "Aya dua mangpaat lumpat jarak jauh, anu kahiji nyaéta ngirangan résiko panyakit jantung. Lamun urang ngajalankeun jarak jauh unggal 1 nepi ka 2 minggu. Ieu ngamungkinkeun anjeun pikeun ngirangan résiko panyakit jantung, sabab ngajalankeun kalebet latihan kardio anu tiasa ningkatkeun kagiatan kerja jantung. Sangkan ukuran jantung bisa leuwih badag sarta bisa nampung leuwih oksigén anu diperlukeun ku awak sarta ngagampangkeun sistem sirkulasi getih. Anu kadua nyaéta yén éta tiasa ngaleungitkeun setrés. Nalika ngajalankeun urang tiasa ngaleungitkeun setrés sareng ngajantenkeun pikiran langkung tenang. Hal ieu sabab ku lumpat, urang henteu ngan ukur fokus kana laju sareng gerakan lumpat, tapi bakal dibere pamandangan anu indah di sabudeureun urang sareng candaan leutik jalma-jalma anu ngiringan lumpat jeung urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4987", "text": "Salah sahiji alat masak nu paling wajib digunakeun nyaeta katel. Katel biasa digunakeun jang ngagoreng atawa nyayur. Katel bahan na tina aluminium, stainless, atawa aya oge nu dicampuran logam. Bentuk katel nyaeta cekung kajero di tengahna, tuluy aya dua ceuli di sisi kenca jeung katuhuna. Fungsi cekung eta jang wawadahan nu rek digoreng na. Sedngkeun fungsi ceuli katel nyaeta jang cekelan supaya babari mindahkeun katel jeung babari mun nyekelan rek ngadukeun bumbu. Bujur katel biasana hideung tutung sabab dideang langsung ku seuneu tina kompor. Katel ukuran na beda-beda, aya nu leutik dugi ka gede. Cekungan katel ge beda-beda, aya nu rada datar khusus jang ngagoreng, aya oge nu rada jero nu bisa dipake jang nyayur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9046", "text": "Sisi négatif damel di kantor anu kaopat nyaéta standarisasi gaji anu sering henteu adil. Teu bisa dipungkiri, parusahaan anu loba pisan karyawanna tangtu leuwih ketat oge dina nerapkeun sistem gaji. Pikeun anu bakal damel di kantor, perusahaan parantos netepkeun standar sorangan pikeun gaji, anu bakal sesah dirundingkeun deui. Kanaékan gaji ogé kudu dipastikeun, sabaraha lilana, jeung sabaraha kanaékan gaji salila digawé di kantor. Tong hilap oge urang kedah nengetan sareng milarian, standar gaji kanggo lulusan sareng bidang padamelan anu dipikahoyong, ogé ngabandingkeun sareng biaya sareng jarak ti tempat cicing sareng tempat damel di kantor. Janten, anjeun tiasa terang naha gaji anu anjeun pikahoyong, sareng anjeunna nawiskeun tiasa mendakan titik tengah.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4202", "text": "Lagu Injit Injit semut mangrupa tembang lagu anu ngandung harti ngeunaan piwuruk sarta sikep silaturahmi. Lirik lagu Injit Injit Semut nepikeun amanat yen lamun aya nu dihandapeun urang nganyenyeri, mangka nu di luhur oge bakal nganyenyeri urang atawa bakal di nyeunyeuri kunu batur anu di luhurna . Lagu Injit injit semut oge mere pesen yen nalika urang ngalakukeun hal hal anu goreng atawa ngayeuyeuri batur , urang oge bakal narima balean nana nyaeta di nyeunyeuri deui ku batur. Ku cara kitu, sacara umum tembang daerah Injit-injit semut ngajarkeun harti solidaritas ulah silih nganyeunyeri jeung bohga paluan goreng tuluy urang ulah poho kababaturan ku cara teu ninggalkeun babaturan lamun keur susah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1585", "text": "Dina nyiapkeun kondisi bencana alam, urang bisa mungkus dahareun jeung inumeun nu awet jang persediaan salila 3 poeeun. Milih dahareun nu kadaluwarsana lila, siga dahareun kaleng atawa bahan dahareun anu dina kemasan. Pilih bahan-bahan anu teu ngabutuhkeun pendingin, tapi nu butuh saeutik dimasak lamun urang teu mibogaan daya listrik ku sabab kajadian bencana. Simpen 4 leter cai nginum tiap jelema, mun boga piaraan oge urang kudu nyiapkeunna oge, dikalikeun 3 poeeun. Ulah poho jang nyokot susu jeung botol mun urang mibogaan orok, sarta dahareun sato piaraan. Leuwih alus deui mun urang nyiapkeunna lain jang 3 poe, tapi jang dua minggueun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7469", "text": "Air Purifier atanapi panyaring udara mangrupikeun teknologi anu boga kamampuan pikeun ngamurnikeun atanapi ngaberesihkeun hawa di rohangan. Kusabab fungsi ieu, loba jalma anu moro parabot ieu. Pembersih hawa diperyogikeun kusabab kualitas hawa ayeuna, khususna di daerah pakotaan anu seueur polusi. Komo ditambih ku kaayaan pandemik Covid-19 oge ngajadikeun seeur jalmi an mulai nganggo panyaring udara ieu, sabab dianggap mampuh maehan virus dina udara. Pamakean panyaring udara nu efisien baka tiasa ngajaga hawa dina jero rohangan sangkan bebas tina polutan, ku kituna ngirangan kamungkinan kasusah napas anu disababkeun ku asma. Urang oge teu kedah hariwang kana haseup atanapi bau minyak goreng sareng rempah-rempah anu ngaganggu batur lantaran nalika disimpen dina hiji tempat, air purifier tiasa nyerep sadaya bau, anu ngajadikeun ruangan seger sareng bersih.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8634", "text": "Nalika hirup sareng pasangan, urang gaduh batur anu tiasa ngabagi pangalaman, carita, kabagjaan, sareng kasedih. Salaki oge tiasa janten rerencangan, pangrojong, sareng pelindung urang. Nalika urang ngalaman kasusah atanapi setres, mitra tiasa masihan dukungan, dorongan, sareng motivasi anu diperyogikeun. Hirup sareng pasangan anjeun oge tiasa masihan seueur kenangan anu indah sareng romantis. Contona, bade dina lalampahan babarengan, gaduh dinner romantis, atawa hal basajan saperti nonton pilem babarengan di imah. Sanajan kitu, hirup kalawan pasangan oge teu salawasna gampang. Kadang urang bisa ngalaman konflik, beda pamadegan, jeung tantangan dina komunikasi. Sanajan kitu, ku ngarojong silih tur gawe bareng, pasangan bisa ngaliwatan sagala masalah ieu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6763", "text": "Basa liburan sakola, abdi sareng kulawargi jalan-jalan ka Ciwidey. Ieu pertama kalina deui abdi jalan-jalan sareng nini, mamang, bibi, jeung dulur nu sanes. Aya oge rerencangan dulur abdi ti Jepang anu keur cicing di Indonesia oge ngiringan. Urang sadayana angkat ti Kopo ka Ciwidey ngangge angkot carter jeung hiji mobil. Arurang angkat tabuh dalapan enjing-enjing. Teu hilap mawa sangu liwet dua katrol jeung hayam kanggo emam engke siang. Perjalanan nyeepkeun waktos kurang leuwih dua jam. Pas atos dugi di bumi kulawargi anu di Ciwidey urang teras popotoan sakedap lanjut mapah ka kebon stroberi. Di jalan seeur anjing nu ngaliwat. Di kebon stroberi urang langsung nyandak ember kanggo ngawadahan stroberi. Urang tiasa ngala stroberi sakahayangna, tiasa diemam langsung atanapi disimpen dina ember kanggo dicandak ka bumi. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3878", "text": "Teh telang nyaeta minuman nu ayeuna mulai kasohor, Teh telang teh ka asup minuman herbal atawa jamu jamuan nu bisa di pake pikeun jadi obat. Ayeuna teh telang jadi salah sahuji minuman anu viral gara - gara warna na anu alus, yaeta campuran warna biru jeung ungul, Padahal rasa teh telang ka asup pait lamun teu bisa ngolah na. Teh telang bisa di inum panas atawa di jadikeun es seger. Kasiat teh telang sabenerna loba pisan keur kasehatan. ,Tapi loba jelma nu can apal, nu jadi minum teh telang ngan saukur panasaran tapi teu apal khasiat na. Rupa - rupa khasiat teh telang keur kasihatan awak saperti bisa ngalawan épék diabetes, alus pikeun kaséhatan jantung, bisa ngalawan setrésjeung déprési sarta bisa ningkatkeun kaséhatan otak jeung sajabana. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9033", "text": "Aya sababaraha kaunggulan anu anjeun tiasa kéngingkeun nalika milih ngamimitian pangusaha. Kauntungannana janten pangusaha nyaéta anjeun ngagaduhan kasempetan pikeun ngatur padamelan anjeun nyalira, kalebet jam kerja sareng liburan. Anjeun tiasa ngasah kaahlian anjeun sareng ningkatkeun kréativitas anjeun. Bisa ningali potensi anjeun, boh jadi pamingpin atawa pengusaha. Tanpa iwal, dina tungtungna anjeun tiasa ngabantosan lahan padamelan énggal pikeun masarakat loba. Sajaba ti éta, kauntungan jadi pangusaha nyaéta anjeun ngahasilkeun kauntungan anu bisa dipaké salaku tambahan modal atawa malah tabungan keur mangsa nu bakal datang. Pangusaha ogé ngagaduhan kalemahan anu tiasa muncul iraha waé, kumargi anjeun kedah siap pikeun éta, sapertos: Résiko kaleungitan sagala rupa jinis investasi, beban kerja anu langkung beurat, sanaos waktos sareng wirahma damel condong fleksibel, sareng nampi panghasilan kalayan henteu pasti atanapi kali teu pasti.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2405", "text": "Sabenerna aya loba tarian tradisional anu kuring resep. Tapi mun dititah milih mah tangtu moal jauh tina tari-tarian tradisional propinsi Riau jeung Sumatera Barat, sabab kuring resep ka budak awéwé getih Minang-Melayu. Abdi reueus pisan nyerat yén tarian karesep abdi nyaéta Tari Piring atanapi Tari Pacah Piriang ti Sumatera Barat. Tarian ieu ngabutuhkeun para penari pikeun gerak sacara tegep, teges , lincah jeung lincah, dipirig ku musik tradisional jeung dilengkepan ku pakéan tradisional lincah. tarianna nateh hese dipipilukeun ku lalakimah da ketang mereunan jang awewe nu lincah jeung tegep sih sarua jeung nilai matrilinear nu aya dina suku minang padang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6476", "text": "Rina teh tos dua poe laptopna ruksak teu bisa diangge sabab kahujanan. Wajar we da laptopna tos hampir tujuh taun acan digentos. Padahal laptopna teh biasa dipake gawe unggal poe. Geus dua poe make hape wae gawena. Untungna Rina boga tabungan jang dana darurat. Jadi we Rina make dana daruratna jang meser laptop sabab urgent pisan jang nunjang pagawean. Rina bersyukur pisan sabab tos sadar pentingna nyiapkeun dana darurat nu akhirna kapake ayeuna ku sorangan jang ngacover kabutuhan mendesakna. Mantakna, Rina teh ti harita teu elat pisan nabung jang nyadiakeun dana darurat. Makin poe besaranna makin ditambahan sabab bisi kabutuhan daruratna ge leuwih tinggi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8650", "text": "Sanajan hirup jadi tatangga bisa mere loba mangpaat, sakapeung aya jalma anu ngarasa teu genah atawa teu resep hirup salaku tatangga. Hirup di gigireun tiasa ngirangan privasi sareng rohangan pribadi urang. Urang bisa ngarasa jengkel ku tatangga nu deukeut teuing kana kahirupan urang atawa nu nyaho teuing kana kagiatan pribadi urang. Kadang-kadang, hubungan jeung tatanggana teu lancar tur lumangsung konflik, kayaning beda dina pintonan, beda dina gaya hirup, atawa kabiasaan anjeun teu resep. Ieu tiasa ngajantenkeun hirup salaku tatangga henteu pikaresepeun sareng nyababkeun masalah anu langkung ageung. Lingkungan tiasa nyababkeun sora sareng gangguan, sapertos musik nyaring, piaraan anu ribut, atanapi murangkalih maen di luar lami teuing. Ieu tiasa ngaganggu katengtreman sareng kanyamanan hirup urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "91", "text": "Aya acara penyuluhan di Pangandaran anu didanai ku Dikti. Harita peutingna urang jeung tim penyuluhan dahar seafood di RM Karya Bahari Pangandaran, ieu RM geus langganan lamun keur ka pangandaran. Di jerona rame pisan ku pelanggan. Mun meuli didieu bisa milihan heula seafood nu rek dipasak, aya cumi-cumi, kepiting, udang, lauk, jeung sajabana. Basa eta urang jeung Bu Asri milih cumi goreng tarigu, udang asam manis, jeung kepiting saos padang. Sabab loba pelangganna, jadi masakan ge rada lila nepina. Untung di RM ieu aya TV nu keur nayangkeun Badminton, jadi teu bosen teuing. Aya kana 30 menitan pesenan geus jadi. Sabab loba teuing nu dipesen, jadi sesana dibekel ka hotel.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4103", "text": "Nabi Yusuf teh putra Ya'qub bin Ishaq bin Ibrahim -alaihimus salam. Beda jeung carita-carita nabi-nabi sejenna, Allah nyaritakeun Nabi Yusuf dina hiji surat lengkep, nyaeta surat Yusuf. Carita kahirupan Nabi Yusuf diantara carita anu panghadena anu dicaritakeun ku Allah. Alloh ngadawuh, “Alif, laam, raa\". Ieu mangrupikeun ayat-ayat Kitab (Al Qur'an) anu jelas (ti Allah). Saéstuna Kami geus nurunkeun Al Qur'an dina basa Arab, sangkan aranjeun ngarti. Kami ngabejaan ka maneh carita anu pang alusna ku cara nurunkeun ieu Al Qur'an ka maraneh, jeung satemenna maraneh samemeh (Kami nurunkeun) eta teh kaasup jalma-jalma anu teu nyaho. (Inget), nalika Yusuf ngadawuh ka ramana: “Duh bapa, saleresna abdi ngimpi ningali sabelas béntang, panonpoé jeung bulan Kaula ningali maranehanana sujud ka Kami” nepi ka ahir surat Allah nyaritakeun ngeunaan kahirupan Nabi Yusuf, dulur-dulurna, bapa jeung sajabana. Nabi Yusuf oge diuji ku cara dialungkeun ka sumur, dijual jadi budak, digoda ku awewe, malah dipanjara nepi ka ahirna Allah ngamulyakeun manehna jeung ngahijikeun deui jeung kulawargana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2757", "text": "Tungtung September kamari kuring mutuskeun mésér laptop anyar. Tungtungna kuring mutuskeun mésér laptop ti Lenovo. Saha anu henteu terang séri Thinkpad. Séri laptop legendaris kalayan desain abadi anu teu acan robih ti jaman baheula. Oh, sakedik carita, mimitina kuring terang ngeunaan séri laptop ieu kusabab dianggo nalika balapan MotoGP sareng F1 pikeun ngonpigurasikeun kuda beusi. Mémang, séri Think ti Lenovo parantos ngabuktikeun daya tahan sareng kualitasna. Sababaraha malah disertipikasi militér. Kusabab kuring masih nganggo hard disk, kuring mutuskeun pikeun ningkatkeun nganggo ADATA 128GB SSD. Jeung kinerja bener dirasakeun sanggeus ngagunakeun SSD. Booting langkung gancang sareng muka aplikasi ngan ukur peryogi sababaraha detik. Mémang, pikeun spésifikasi sapertos éta rada mahal. Tapi kualitas sareng genah anu kuring kéngingkeun leres-leres nyugemakeun kuring salaku pangguna Lenovo énggal. Rarasaan keyboard téh taya bandinganana. Éta saé pisan pikeun ngetik, khususna sabab kuring kedah ngalakukeun padamelan kantor anu henteu peryogi spésifikasi anu luhur. Biasana ngan nganggo kantor sareng browser.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5368", "text": "Hari Raya idul Fitri jadi salah sahiji waktu nu tepat jang ngalaksanakeun mudik atawa balik kampung. Unggal hari raya Idul Fitri, kabeh jalma nu ngarantau pasti ngalaksanakeun mudik atawa balik ka kampung halaman. Biasana, sapoe samemeh Idul Fitri, nu marudik teh sok mudal nepi ka nyieun macet kabeh jalan raya. Hal ieu dianggap jadi agenda rutin taunan jeung momentum nu geus jadi budaya di Indonesia. Biasana nu mudik teh sok mawa kendaraan pribadi, jadi jalanan leuwih padat ti hari raya nu sejenna. Idul Fitri ge identik ku ayana takbiran di peutingan samemeh Idul Fitri. Takbiran ieu nu mantak waas jeung dpikasono kunu ngaranta teh. Ku kituna, kumaha wae carana biasana nu ranta sok kudu balik ka lembur mun lebaran Idul Fitri.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6743", "text": "Di bulan Nopember, abdi sareng rerencangan datang ka Villa Datuk Manglayang. Villa ieu lokasina aya di Cileunyi, Bandung. Saprak dugi di tempat abdi sholat di mushola nu aya di luar villa, teras mesen mie kuah di warung kopi anu aya di luar villa oge. Di lebet villa aya aula anu luas, abdi sareng rerencangan ngempel di aula, emam sasarengan, ngobrol, jeung lalaguan. Aya seeur kamar di villa ieu, unggal kamar gaduh kamar cai masing-masing. Di luar villa aya lapangan luas pisan anu tiasa dianggo kemping. Sateuacan mulih ka Bandung, rerencangan abdi ngararojay di kolam anu aya di tukangeun villa; Kolam na luas, jeung cai na oge jernih pisan, di sisi kolam gede aya kolam alit kanggo barudak. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4032", "text": "Hobi sapedahan mangrupa hobi nu paling gampang di lakukeun, teu kudu nepi ka milu touring atawa milu balap hobi sapedah biasa ges mawa loba mangfaat, Sapedahan sarua jeung olahraga kabeh apal mun olahraga teh sesuatu nu emang kudu wajib na manusa teh lakukeun. Olahraga teh bermangfaat pisan pikeun kasehatan pisik supaya lewih kuat jeung sehat oge kasehatan mental nu leuwih kuat jeung sehat. salian ti eta ayena mah tina hobi naon wae oge bisa pisan ngahasilkeun penghasilan, misalkeun tina hobi sapeda bisa nyambukeun silaturahmi jeung komunitas sapeda bisa bari ngonten mumpung ayen jaman sosial media, sagala hobi ge asal positif bisa ngahasilkeun. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7129", "text": "Masarakat Kepulauan Riau gaduh imah adat anu unik anu disebut selaso jatuh kembar. Imah adat ieu gaduh corak jeung ciri anu ngagambarkeun budaya Melayu. Selaso jatuh kembar nyaeta imah anu boga dua lorong anu lantena leuwih handap ti ruang tengahna. Kecap \"selaso/salaso jatuh\" sorangan mituduh kana jalan anu ngurilingan imah adat, anu umumna gaduh lante anu leuwih handap. Imah selaso jatuh kembar kaasup jenis imah panggung sagi opat anu nangtung dina tihang. Luyu jeung kapercayaan masarakat satempat, imah adat ieu umumna diwangun nyanghareup ka walungan. Kulantaran imah panggung, akses ka imah selaso jatuh kembar kedah ngagunakeun tangga. Nurutkeun Kiki Ratnaning Arimbi, tangga di imah adatselaso jatuh kembar boga jumlah tangga anu ganjil.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4000", "text": "Naek kareta emang nyenagkeun teu nyaho kunaon, urang resep pisan naek kareta ti leuleutik. Naek kareta teh harga na leuwih murah, jam mangkat jeung nepi na ges jelas di tentukeun jadi karasa leuwih efisien, urang jdi bisa ngitungjeung ngahemat waktu. Kareta jaman ayeuna mah ges enakeun sangkan nu ekonomi ge ges bersih aya AC an jeung tara aya nu dagang deui, kareta ge dirasa leuwih aman soana selalu aya petugas na nu bolak balik mariksa kaayaan. Kareta aya dua jenis mun di tingali ti jarakna, aya kareta jabodetabek jarak deukeut nu biasa di tumpakan jeung aya kareta jarak jauh nu basana kudu di pesen jauh biasana tujuan na ka daerah jawa. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2308", "text": "Puasa Ramadhan ieu dilaksanakeun nalika parantos lebet ka tanggal 1 Ramadhan numutkeun kalénder Hijriyah. Sacara harfiah, palaksanaan puasa Ramadhan dilaksanakeun sabulan pinuh dina bulan Ramadhan, anu hartosna sakitar 29 dugi ka 30 dinten.\r\nDina Islam sorangan, puasa mangrupa ibadah wajib anu kudu dilaksanakeun ku umatna. Ieu dibuktikeun ku asupna puasa dina tempat katilu dina rukun Islam. Puasa wajib dina Islam biasana disebut puasa Ramadhan. Dina ngalaksanakeun puasa dina agama Islam, umat Islam dipasihan kawajiban pikeun nahan rasa lapar, haus, jeung sagala rupa hal anu berpotensi ngabatalkeun puasa. Mangsa puasa sorangan dimimitian ti surup panonpoe ditandaan ku imsak jeung dipungkas nalika panonpoe geus surup anu ditandaan ku adzan magrib.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6544", "text": "Angkutan umum teh jadi salah sahiji transportasi favorit masyarakat sabab hargana nu dianggap terjangkau. Komo sabagean besar mahasiswa mah pasti ngagunakeun transportasi umum jang bolak-balik ti lembur ka rantauan teh. Mun keur kuliah ge ka mana-mana teh sok make transportasi umum jiga kareta jeung bus DAMRI nu ongkosna murah pisan. Tah dua transportasi umum ieu teh jadi pilihan sabagean besar mahasiswa salian sabab ongkosna nu murah pisan, fasilitasna oge beresih deuih. Tuluy oge halte jeung stasiunna deukeut kajangkau ti kostan teh. Mantak teu aneh mun loba mahasiswa sok familiar jeung angkutan umum jiga bus dalam kota jeung kareta api lokal.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5716", "text": "Olahraga favorite budak leutik rata-rata nyaeta lompat tali atawa nu leuwih dikenal loncat tinggi. Olahraga ieu biasana dipaenkeun sacara kelompok, sakelompokna minimal aya tilu urang. Tali nu diloncatanna dijieun tina karet gelang nu diuntun nepi ka panjang. Unggal tahap teh disebutna mi. Nu paling handap nyaeta mi tuur, tuluy naek ka mi bujal, tuluy mi dada, mi dago, mi mastaka, mi jeungkal, nu pangluhurna nyaeta mi merdeka. Tah mun teu bisa ngaluncatan tali berarti lasut, teu bisa maen deui, gantian jaga tali. Biasana dipaenkeunna sok di lahan anu lega atawa di lapang. Dipaenkeun na oge sok dicampur awwe jeung lalaki.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3973", "text": "Hotel jeung panginapan Kapsul Bobobox ka asup salah sahiji hotél pangmurahna di Bandung tapi boga lokasi anu pohara strategis. Harga hotél bobobox kapsul Bandung ieu mulai ti Rp 92.728 sapeuting. Biasana mun hotel kisaran sakitu tempatna pasti di pelosok, jeung pasti jauh butuh waktu lila. Tapi hotel Kapsul Bobobox lokasina caket kana sababaraha tujuan anu pikaresepeun ogé sababaraha pusat balanja anu kasohor. Contona, Istana Plaza jarakna 340 m, Pabrik Wayang Cupu Manik 430 m, Kuburan Walanda Ereveld Pandu 750 m, sareng Wisata Liburan Bandung 810 m.Sababaraha landmark caket dieu, contona, Stasion Karéta api Bandung jarakna 820 m, 23 Pusat Perbelanjaan Paskal 820 m, Pasar Kembang 1,07 km, Pasar Dago 1,08 km, sareng Pasar Baru Trade Center 1,15 km. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "954", "text": "Aya sababaraha kaunggulan nu dipiboga ku kamera DSLR. Nyaeta kamera DSLR mibogaan loba pilihan lensa jeung aksesoris kamera. Beda jeung kamera HP nu ngan saukur ngandelkeun hiji atawa dua lensa bawaan, lamun kamera DSLR mah ti baheula nepikeun ka ayeuna kasohor ku lobana pilihan lensa. Tuluy dibandingkeun jeung kamera HP, kamera DSLR mibogaan kinerja nu leuwih alus dina hal autofocus gancang, kapasitas memorina oge gede. Salian ti eta, tombol-tombol pepencetan nu babari digunakeun ngan saukur ngaggunakeun jempol atawa curuk. Kamera DSLR oge bisa ngahasilkeun kualitas gambar nu gede jeung bisa mere efek khusus gumantung dina kamera jeung jenis lensa nu dipilih.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9510", "text": "Dina sapopoena, Hadi sibuk pisan. Loba anu digawean ku manehna. Ti mimiti jadi guru, beurangna ngajaga toko sembako indungna, sorena manehna nulis di hiji media. Hadi kadang ngarasa jenuh ku kasibukan sapopoena. Pilem anu jadi pilihan manehna keur reureuh tina kagiatan sapopoe. Unggal peuting, manehna nyempetkeun lalajo hiji pilem saacan sare. Biasana, pilem dokumenter jadi pilihan manehna. Hadi ngarasa, lalajo pilem dokumenter lain ngan saukur bisa ngahibur manehna. Pilem dokumenter oge bisa jadi kagiatan anu ngeusi waktu luang manehna nu mangpaat. Tina lalajo pilem dokumenter, manehna bisa meunang elmu anyar tur jadi inspirasi manehna keur ngajar jeung bahan manehna nulis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5852", "text": "Mun ningali acara televisi teh ulah ngasal wae, sabab ayeuna mah sok loba berita hoax nu disiarkeun di televisi. Berita hoax teh mangrupakeun berita nu teu sasuai fakta, bisa disebut oge berita bodong. Berita hoax nyangkut eusi berita nu teu faktual, teu aktual, jeung sajabana. Hal nu kieu kudu jadi perhatian urang sebagai penikmat siaran televisi khususna berita. Kudu paham jeung apal kumaha cara ngabedakeun hoax jeung berita asli. Biasana berita hoax mah sok teu memenuhi syarat berita. Mantakna, mun manggih berita hoax ge urang kudu pinter ngalaporkeun nana supaya penonton sejen teu katipu oge ku berita nu sarua. Yuk, tangkal hoax babarengan ku cara mahami berita nu bener aktual jeung faktual!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "579", "text": "Aya loba magpaat lamun urang diajar tarian tradisional teh di antarana, jadi sarana olahraga. Saacan diajar tarian tradisional pasti diwajibkeun ngalakukeun pemanasan fisik. Salian eta, gerakan tari tradisional oge leuwih cape dibanding tari modern. Ieu artina olahraga dina tari tradisional oge teu bisa dianggap remeh. Mangpaat nu sejenna tina nyaeta bisa diajar konsentrasi sabab dina tari tradisional loba pisan teknik tari nu hese. Tiap daerah pasti mibogaan jenis teknik tari nu beda-beda. Eta sababna, pangtari tradisional kudu bisa konsentrasi dina diajar ngameh teknik ti daerahna teu patukeur jeung daerah anu sejen. Diajar nari oge bisa ngaronjatkeun rasa percaya diri sabab beuki lila mah pastina bakal mindeng tampil dihareupeun umum.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8139", "text": "Salah sahiji ciri revolusi 4.0 teh nyaeta penggunaan robot nu makin seueur. Babaraha sektor padamelan ayeuna tos digentos ku robot. Robot dianggo kusabab leuwih efisien, teliti, sareng tiasa dianggo sapanjang waktos. Robot teh lain saukur nu bentukanna siga jelema hirup nanging sagalah alat mekanik nu tiasa ngalakukeun tigas fisik nu ngagunakeun program disebatna robot. Wajar wae upami seueur pabrik atanapi industri nu mulai ngagentos pegawaina make robot kusabab robot mah teu tiasa ngeluh janten teu ngahariwangkeun nuntut-nuntut hak. Kusabab teu tiasa ngaraskeun nu ngarana cape robot teh tiasa dianggo sapanjang waktos, paling-paling rusak atanapi lemot nanging eta mah gampil sareng gancang dibenerkeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3961", "text": "Hutan Anggrek aya di Désa Cikole, Kacamatan Lembang, Kabupatén Bandung, Jawa Barat. Lokasina 8 kilométer ti alun-alun Lembang. Upami angkat nganggo angkutan umum ti Jakarta atanapi kota sanés, anjeun tiasa turun di stasion Bandung atanapi bandara Hussein Sastranegara. Pikeun ngagampangkeun transaksi anjeun nalika mesen tikét, anjeun tiasa nganggo ShopBack, Akses jalan orchid forest cikole bisa di tempuhh ku kendaraan umum saperti Lamun turun di stasion Bandung, anggo angkutan kota anu ka Lembang. Samentara éta, lamun badarat di bandara Hussein, Anjeun kudu leumpang ka parapatan arca Hussein, teras naek angkutan umum ka Lembang. Turun di parapatan Lembang – Tangkuban Perahu – Maribaya. Leuweung Anggrek Lembang , mangrupa hiji objek wisata anu aya di leuweung lindung di Lembang. Wewengkon Leuweung Anggrek Lembang kira-kira 12 héktar, anu didominasi ku wisata alam terbuka, kalawan hawa tiis has Lembang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5026", "text": "Taman Anggur jadi salah sahiji hidden gem anyar di Subang. Lokasina aya di Pagaden Barat. Mun ti jalan raya butuh waktu sakira satengah jam jang dugi ka ieu tempat. Tempatna aya di tengah-tengah hamparan sawah. Kiri kanan na sawah hungkul. Taman Anggur fokusna kana wisata popotoan. Didieu loba pisan spot poto nu aralus jiga patung pesawat, patung sendok, anyaman tina awi, jeing sajabana. Taman anggur oge gaduh lahan luas paranti ngagelar pentas seni atawa paranti ibu-ibu senam unggal Ahad. Disebut taman Anggur pedah nu diagulkeun na nuaeta tangkal anggur. Duh barijeung karek dipelakeun binih na oge. Sok aya kagiatan pentas seni sisingaan unggal poe Minggu didieu teh. Jadi moal pisan kasebut tiiseun ieu tempat wisata.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1932", "text": "Henteu sadayana resep ngadahar hurang upami masih gaduh suku kusabab aranjeunna langkung kasar sareng sakapeung nyababkeun sungutna rada gatal. Janten, nalika ngabersihkeunana, anjeun kedah nyingkirkeun suku di handap. Cara ngabersihkeun suku hurang langkung gampang tibatan ngabersihan cangkang sirah sareng kokotor. Hurungkeun awak sangkan beuteung atawa handap nyanghareup ka luhur, teras tarik suku deukeut sirah ka handap tanpa ragu ngagunakeun ujung ramo cinggir jeung jempol. Upami metode ieu masih dianggap sesah, anjeun tiasa ngahapus hiji-hiji. Sanaos peryogi langkung lami, hasilna tiasa langkung bersih. Suku sato laut ieu memang gampang dipisahkeun sagemblengna. Tapi lamun teu ati-ati, sumawonna ketang teuing nalika ngaleupaskeun, awak ogé bisa remuk atawa beulah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4746", "text": "Hal mimiti kudu di lakukeun lamun usaha atawa bisnis anjeun aya masalah atawa rugi nyaeta urang kudu pisan ngalakukeun anu ngarana evaluasi. Soal na upama dina ngajalankeun usaha anjeun ngalaman masalah, utamana karugian, tangtu aya faktor anu nyababkeun ieu kajadian. Ku alatan eta, anjeun kedah ngira-ngira sagala hal anu aya hubunganana sareng bisnis anjeun, saperti ngevaluasi sistem bisnis, sareng produk atawa jasa anu anjeun tawarkeun di perusahaan jeung oge urang kudu ngaevaluasi para pagawe kantor na boh tina kinerja atawa loyalitas na ka parusahaan.Hal ieu dimaksudkeun pikeun manggihan sabab anu ngabalukarkeun leungitna. Upama anjeun geus apal panyababna eta bakal gampang pikeun anjeun menerkeunana.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7114", "text": "Tradisi ekahan nyaeta tradisi aqiqah anu dilaksanakeun ku masarakat Sunda. Intina, ieu tradisi teh tradisi umat Islam, tapi dibungkus ku kearifan lokal. Sarupa jeung tradisi aqiqah di tempat sejen, tradisi ekahan ngagariskeun ritual motong buuk orok jeung meuncit sato aqiqah dina bentuk embe atawa domba. Sanajan kitu, aya sababaraha upacara sejenna anu ngalengkepan tradisi ekahan masarakat Sunda. Anu kahiji nyaeta upacara salapan bulanan. Dina ieu upacara dilumangsungkeun bacaan kalawan maksud sangkan orok anu aya dina kandungan bakal gancang lahir jeung salamet lantaran kandunganana geus salapan bulan geus waktuna lahir. Aya kadaharan anu bentukna bubur anu disajikeun nyaeta bubur lolos anu baris dibarengan ku tumpeng jeung rupa-rupa kadaharan sejenna. Bubur ieu mangrupa perlambang tina upacara ieu, nyaeta pikeun meunangkeun kahampangan nalika ngalahirkeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6654", "text": "Baheula, basa keur leutik abdi sareng dulur-dulur di imah nini sok meser jamu. Biasana enjing-enjing sok aya tukang jamu make sapeda. Aya hiji tukang jamu nu sering jualan di caket imah nini, namina Ayu. Abdi sareng dulur anu lain biasana meser buyung upik atanapi jamu koneng anu rasana amis, saatos ngaleeut koneng, biasana abdi dipasihan minuman cikur anu warna na bodas. Ayeuna pas tos apal ngenaan bungbu-bungbu dapur, abdi karek nyadar yen minuman jamu eta teh didamel tina jahe, koneng, cikur anu sadayana dicampur ku gula supados teu karasa pahang jeung paitna. Aya oge kandungan nu sanes na sapertos jahe jeung koneng gede. Tapi di antara sadaya jamu anu disadiakeun abi teu pernah nyobian jamu paitna lantaran abdi nganggapna eta mah keur kolot.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4536", "text": "Olahraga mangrupikeun kagiatan anu alus pisan jeung disarankeun pisan pikeun kaséhatan fisik sareng mental. Aya loba mangpaat olahraga, saperti nguatkeun sistem imun, ngajaga beurat sareng bentuk awak, sareng ngaleungitkeun setrés. Ku ngalakukeun kagiatan fisik, tangtu anjeun bakal leuwih bagja. Da salain ti urang bisa ngarasakeun mangfaat sacara fisik oge bsa ngasakaeun mangfaats acara mental. Lamun olahraga urang bisa ngaluarkeun hormon endorfin anu bisa ningkatkeun mood, jeung bisa nagajieun awak jadi santai rileks. Olahraga teu leupas tina gerakan-gerakan anu bakal diturutan anu ngalibatkeun rupa-rupa struktur/jaringan dina awak manusa. Teu jarang tina gerakan gerakan eta aya rupa rupa kajadian teu kaduga saperti cedera anu teu bisa di halangan. Saperti cedera jeung nu lain na. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6547", "text": "Mun rek balik ka lembur teh abdi mah sok rada hoream sabab kudu turun naek angkutan umum. Mimiti, ti kostan teh kedah naek angkot ka Cileunyi tuluy mayarna lima rebu. Tuluy naek bus Primajasa ti Cileunyi ka Sadang atawa aya oge Budiman. Ti sadang teh naek deui elf nu ka Subang, hargana dua puluh rebu. Turun we di kalijati pelebah tugu pertigaan. Geus kitu, tinggal naek angkot warna oren salila lima belas menit ka Purwadadi. Mun geus di Purwadadi mah turun di Warung Asem, tinggal nungguan jemputan we ka imah. Tah ti Warung Asem ka imah teh sakira lima belas menitan. Jadi lumayan rutena panjang pisan turun unggah angkutan umum.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4953", "text": "Sayur oyong nyaeta salah sahiji sayur nu jadi karesep balarea. Sayur oyong di percaya bisa ngurangi rupa-rupa panyakit. Dina oyong seueur kandngan gizi anu alus jang kasehatan awak arurang. Kandungan mangan dina oyong bisa ngubaran diabetes, kandungan vitamin A bisa jeung ngajaga kasehatan mata, tuluy kandungan nu lan na oge bisa jeung ngubaran sagala rupa panyakit. Wajar wae mun ayeuna dokter-dokter loba ngarekomendasikeun oyong jang jadi tuangeun utama mun keur sakit. Oyong biasana disayur atawa di tumis. Ku kituna, hayu ah pala wargi urang biasakeun nuang sayur oyong supaya bisa ngajaga kasehatan urang sarerea. Salian rasa na nu enak, arurang oge bisa jaga kasehatan tanpa nu ribet-ribet.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8032", "text": "Maen bal teh tos janten olahraga nu tiasa dipaenkeun ku kabeh kalangan masarakat. Teu aya hiji perkawis nu tiasa ngahalangan jalma pikeun maen ieu olahraga. Buktina barudak leutik arek nu di kota nu di kampung kabeh pasti pernah maraen bal. Bahkan seueur barudak leutik nu ngabogaan cita-cita jadi atlit maen bal kusabab ngarasa bungah pisan upami maen bal teh. Sanes maen bal hungkul nu dipikaresep nanging lalajo batur maen bal ge meuni kacida ramena. Komo nu maen teh tim kanyaah arurang makin antusias wae urang jadina. Di Indonesia sorangan peminat bal teh seueur pisan tiasa ditingali di media sosial upami supporter Indonesia teh salah sahiji supporter nu aktif.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6109", "text": "Mun rek indit digawe ka kantor teh sok macet pisan isuk-isuk na. Komo mun asal kabeurangan saeutik we hudang sarena, pasti inditna ge rada beurang, tuluy bakal kena ku macet nu teu kira. Mantak mun rek gawe teh siap-siap na kudu ti samemeh subuh, supaya geus subuh teh geus siap indit. Inditna ulah leuwih ti jam genep isuk supaya teu kena macet di jalan, komo mun ngaliwatan jalur sibuk mah. Mun indit isuk mah bisa nyantai jeung moal rusuh ku macet di jalan. Mun keuna macet teh enggeus we bakalan kasiangan nepi ka kantorna. Mantak, mun poean gawe teh kudu hudang leuwih isuk supaya bisa indit rebun keneh jeung teu kena ku macet.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5449", "text": "Saha nu teu apal ka tempat wisata Gunung Tangkuban Parahu, sadayana pasti apal kana ieu tempat. Gunung Tangkuban Parahu teh terkenal oge ku kisah nu nyalimutan nana, nyaeta kisah Sangkuriang si Budak Doraka. Kisah Sangkuriang teh dimimitian ku Sangkuriang nu dipiceun ku indungna sabab geus maehan bapakna. Geus lila pisan teu panggih, Sangkuriang panggih deui jeung indungna dina umur dewasa tuluy resepeun ka indungna sorangan. Sangkuriang keukeuh hayang nikahan indungna. Indungna nu engeuh yen Sangkuriang teh budakna tuluy menta syarat berat nyaeta pangbendungkeun Citaum supaya jadi Danau jeung di tengahna aya parahu badag dina watu sapeuting. Sangkuriang nyanggupan, tapi dina prosesna, indungna, Dayang Sumbi, ngagagalkeun pagawean Sangkuriang supaya teu bisa nikah. Sangkuriang ngarasa dilicikan tuluy saking abekna nendang eta parahu nu ayeuna jadi Gunung Tangkuban Parahu. Tah gunung ieu teh ayeuna jadi hiji wisata nu digemari pisan ku wisatawan lokal jeung internasional sabab pamandangan kawahna nu endah kacida.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2315", "text": "Abdi Muslim, sareng parantos ngahadiran sababaraha layanan Protestan di Garéja Kristen Indonésia. Pernah meuntas pikiran kuring saméméh ngeunaan kahayang ieu. Aya kahayang, tapi kuring masih boga mamang ngeunaan ngalakukeun eta. Nepi ka hiji poé, kuring ngajak salah saurang réréncangan kuliah anu ogé muslim, ngariung jeung réréncangan Protestan ka GKI, dina poé Minggu soré. Mimitina, kuring henteu terang pisan ngeunaan ritual sareng prosedur pikeun babaturan Protestan. Tapi sanggeus poé éta, saeutik demi saeutik kuring nyaho. Leres aya paribasa anu henteu terang anu anjeun henteu terang. Nalika babaturan organisasi kuring manggihan yén kuring kakara balik ti garéja, kuring seuri jeung sieun yén kuring bisa ngarobah. Tapi aranjeunna salah. Gantina lemah, iman kuring kana naon anu kuring yakin beuki gedé. Ningali penganut agama sejen anu tartib jeung rajin ibadahna, kuring ngarasa isin lamun henteu oge rajin ngalaksanakeun ibadah agama kuring.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6676", "text": "Aya sababraha cara supados urang tiasa janten Chef, nyaeta miluan acara Master Chef Indonesia. Acara tipi anu ditayangkeun di RCTI ieu tos ngaluarkeun chef-chef anu sae. Tapi lolobana urut pamilon Master Chef teh ayeuna gaduh usaha kuliner nyalira. Aya oge nu rajin ngadamel pidio masak, ngabagikeun tips-tips masak anu gampil. Salah sahiji juri Master Chef anu paling kasohor ku galakna nyaeta Chef Juna, manehna pernah ngomong yen di dapur asli mah Chef kedah tahan banting, kedah siap nyanghareupan rupa-rupa kaayaan, jeung kedah siap gawe dina tekanan. Chef anu jago masak oge awalna mah dijar motong bawang heula, diajar mesek kentang heula, teu ujug-ujug jago masak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6529", "text": "Mun melak sayur mah mendingan melak tanaman sayur anu babari dibudidayakeun jeung bisa dipanen di sagala musim, misalna cabe, cengek, kangkung, jeung sajabana. Komo mun ngamimitian mah cukup ku melak hungkul ge teu make pupuk atawa dirawat, bakalan jadi saaya-aya. Melakna ge aya nu bisa dialungkeun hungkul sikina ka buruan, ke ge sok jaradi sorangan. Misalna tangkal tomat jeung cengek nu teu kudu dirawat khusus, tapi buahna bisa leubeut jeung alus pisan kualitasna. Leuwih alus deui mun rutin disiram jeung diberean pupuk, pasti bakal sehat jeung jauh ti hama. Mantak, yuk cobaan rutin mupuk jeung nyiram pepelakan sacara rutin supaya hasilna maksimal!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5866", "text": "Kamera nu aya dina smartphone ayeuna mah teu cukup ku hiji kamera, malahan mah dugi ka aya nu opat kamera. Smartphone Redmi 9T jadi salah sahiji hape anu ngusung opat kamera beda-beda. Tilu kamera ngajajar ka handap, jeung hiji deuina di gigireun kamera nu di handap. Mun pang handapna ti deretan kamera mah aya flash kamera. Tah kaopat kamera eta teh beda-beda, aya nu 48 MP, aya nu 8 MP, 2 MP, jeung nu 2 MP. Mun kamera hareup na mah ngan aya hiji mangrupa huruf V nu ngagaduhan resolusi 8 MP. Kamerana ge tos dibekelan fitur canggih nu loba ditemui dina aplikasi edit foto.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4629", "text": "Efek pemanasan global kajadian kusabab geus eweuh atawa jarang ayana ruang terbuka hijau komodi kota kota gede, lahan lahan tempat tatangkalan di papras di bangun gedung gedung anu jangkung pisan jeung make kaca anu gede gede pisan. Tina fakta eta urang pasti ngarti kunaon di kota kota gede anu sibuk unggal poe na anu mobilitas nya gancang sok karasa panas pisan. Tangkal anu kuduna bisa mere oksigen jeung angin arta rasa teduh jadi leungit. Geus puguh lamun beurang panasna peuting oge sok masih karasa panas na jadi hareudang wae. Eta nu ngajadikeun orang di kota mah asa geus wajib make AC lamun henteu teu bisa istirahat jeung di gawe nyaman.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5002", "text": "Cung nu nuju diet! Tah proses diet teh lain saukur ngurangan sangu hungkul, tapi oge nyukupan kabutuhan nutrisi dina awak. Salah sahiji bungbuahan nu alus dikonsumsi keur diet nyaeta cau. Cau ngandung zat-zat anu berguna pisan jang ngajaga berat badan. Karbohidrat sareng gula na oge sae jang ngagantikeun sangu. Cau bisa dijadikeun camilan sehat. Salian kitu cau oge ngandung vitamin E kadar tinggi nu alus jang kulit. Sok coba tingali nu sok emam cau mah awak na ge seseg terus kulitna mulus jeung herang. Tah mun dijadikeun camilan, mendingan langsung di emam wae, teu kudu diolah komo make gula mah. Rasa cau nu amis mantak seger jeung wareg kana awak na ge. Ngonsumsi cau teh alus pisan mun dikeureuyeuh mah. Hayu ah baraya ganti camilan urang make camilan sehat nyaeta cau.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3582", "text": "Sababaraha hal anu bisa ngaruksak hubungan jeung babaturan, nyaeta : 1) Duit. Ieu hal klasik duit bisa ngancurkeun silaturahim. Sabenerna lain duit sorangan nu ngancurkeun anjeun, tapi kumaha réaksi babaturan anjeun kana duit. Salaku conto, upami anjeun merekeun injeman duit ka babaturan, ari pek teh hese mayar. Nah, conto babaturan kitu anu matak ngaruksak hubungan babaturan.\n2. Amanah. Babaturan nu teu bisa dipercaya teu pantes jadi sobat.\nSilih ajénan. Alami, dua jalma kalawan sirah béda boga pamadegan sabalikna.\n3. Komunikasi. Memang teu kudu komunikasi 24 jam jeung babaturan. Ngan setidakna urang ngajalin komunikasi anu sae jeung babaturan. pastina hal eta kudu dadi waspada jang arurang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4611", "text": "Umumna aya dua rupa mesin cuci anu sering di pake jaman ayeuna nyaeta Mesin cuci panto hareup (muatan hareup) jeung mesin cuci panto luhur tapi umun aanu di pake imah imah nyaeta mesin cuci panto luhur . Mesin cuci panto luhur ngabogaan tabung anu dijieun tina stainless steel kalayan ukuran anu leuwih gede tibatan mesin cuci dua tabung, ieu kusabab mesinna ngagaduhan fungsi ganda, nyaéta nyeuseuh sareng ngagaringkeun sacara otomatis, jadi leuwih ngahemat waktu jeung énergi. Kusabab sagalana sagemblengna otomatis, teu merlukeun perhatian tambahan salila prosés cuci. Mesin ieu ngagunakeun pulsator anu bakal muterkeun baju anu ngamungkinkeun baju anu bahanna rapuh. gampang ruksak, cara pikeun ngungkulanana nyaéta ku cara milih jenis pakéan anu rék dikumbah. Kelemahan séjén tina mesin cuci top loading nyaéta aranjeunna ngagunakeun seueur cai.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8083", "text": "Aya hiji lalaki ngaranna Rian anu resep pisan lalajo pertandingan maen bal. Hiji poe, manehna megatkeun pikeun indit ka stadion pikeun lalajo patandingan antara tim favorit na jeung tim lawan. Rian antusias pisan jeung bungah lalajo pertandingan. Anjeunna dugi ka stadion sababaraha jam sateuacan pertandingan dimimitian, ku kituna anjeunna tiasa ngaraosan suasana di sabudeureun stadion sareng meser cinderamata ti tim karesepna. Sanggeus sababaraha waktu, pertandingan dimimitian. Rian ngahibur pisan ku kalakuan para pamaen sarta réaksi panongton anu ngahibur timna. Anjeunna ngarasa kawas anjeunna bagian tina komunitas badag anu geus dikumpulkeun pikeun ngarojong tim favoritna. Sanajan tim paporitna eleh dina pertandingan, Rian ngarasa bungah jeung gumbira lantaran bisa lalajo langsung pertandingan di stadion.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4130", "text": "Aya hari besar atawa hari istimewa di agama slam, ieu memang lain hari besar anu asup kana kalender masehi anu di mumule salaku hari libur nasional, hari besar ieu nyaeta nuzulul quran atawa hari anu ngingetan urang yen dimana eta hari turuna kitab suci al-quran. Nuzulul quran datangna dina tanggal 17 bulan ramadhan jadi eweh tanggal pastina di kalender masehi. Eweh acara atawa peringatan husus anu di jieun, matakna bisa jadi dulur dulur urang dina agama lian teu apal ayana hari besar ieu. Tapi keur umat islam nuzulul quran teh hari anu istimewa pisan jadina sok di ayakeun acara tadarusan atawa khotamil quran babarengan di tempat pangajian atawa bisa oge di lakukeun ku masing masing jelema di imah na sorangan sorangan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1975", "text": "Bandung, ibukota Jawa Barat, nyimpen sajuta carita éndah kalawan fenomena alam éndah sarta tempat bersejarah, ogé rupa-rupa nikmat kuliner ping 19 dugi ka 20 september tepatna, abdi sareng kulawarga nganjang ka kota Paris van Java. Waktu keur di alun-alun Bandung, panon kuring neuteup kana beus-beus warna-warni nu ramé ku sémah. Beus Bandung on Tour, leuwih akrab disebut bandros, nyaéta beus dua tingkat kalayan varian warna-warni ngahias pelosok kota Bandung. Pikeun naék Bandros, sémah dipénta tikét Rp. 20.000, sarta barudak umur dua ka handap bébas, bari jam operasi bandros ti 08.00 nepi ka 16.00 WIB. “Bapak-bapak sekalian ngantri naek bandros, sing tartib bakal mayar karcis pas naek beus, nu teu meunang naek beus hareup mah masih katinggaleun,” ceuk pituduh ti kenek bandros.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1945", "text": "Ker basa SMA kuring ka tempat wisata nu jarang ka engonnanan semah di Désa Mirat Kacamatan Leuwimunding. Waktu harita kuring kakara nyaho Cadas Gantung kakara dijadikeun tempat wisata dina awal taun 2016 ku Karang Taruna Désa Mirat. Ku kituna, para nonoman di dinya ngamangpaatkeun média sosial minangka sarana pikeun ngamumulé poténsi désana, enya Batu Gantung. Leres pisan, sareng kanggo anjeun anu hoyong ngembangkeun potensi wisata di daérah anjeun, anjeun tiasa nuturkeun naon anu dilakukeun ku para nonoman Désa Mirat dina ngembangkeun pariwisata di Batu Gantung. Buktina, ayeuna mah di tahun 2022 Batu Gantung geus jadi salah sahiji tujuan wisata utama di Majalengka. Ieu mah teu matak héran, sabab mimiti kaditu kaditu kadieu langsung dipapag ku hamparan sawah jeung gawir-gawir sarta pasir-pasir Gunung Ciremai, dimana urang bisa ngarasakeun tetempoan ti dinya, komo deui. pikaresepeun lamun datang ka dinya isuk-isuk atawa sore.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4136", "text": "Salian ti hari raya natal, umat nasrani atawa kristen boga hari besar anu sakral anu di sebut hari kenaikan isa almasih. Hari besar ieu di ingetan atawa rayakeun unggal taun, tahun ieu peringatan kenaikan isa almasih pasti salalu di inget jeung di rayakeun 40 poe saenggeus jumah agung di tahun ieu kenaikan isa almasih ragrag dina tanggal 18 mei tahun 2023. Kenaikan isa almasih geus dijadikeun hari besar di kalender masehi matakna di hari kenaikan isa almasih di liburkeun harapana nya ameh umat nasrani bisa fokus kana ibadahna. Fokus ngadua jeung memuja Tuhan tur nembus makna na nyaeta Tuhan yesus bageur geus berkorban demi umatna nepi ka maot terus di angkat naek ka surga. Ibadah anu biasa di lakukeun lamun keur kenaikan isa almasih biasana aya misa di gereja masing masing.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4491", "text": "Eko Yuli Irawan (lahir 24 Juli 1989) nyaéta atlit angkat beurat Indonésia anu berlaga dina katégori 62 kg nepi ka taun 2018 sarta 61 kg dimimitian taun 2018 sanggeus Féderasi Angkat Beurat Internasional nyusun ulang kategori éta.Eko ngamimitian karirna dina Kejuaraan Junior Dunia 2006, meunang medali pérak. Ti saprak éta, anjeunna neraskeun karir anu cemerlang ku ngahontal seueur prestasi. Dina Olimpiade Beijing 2008, Eko meunang medali perunggu. Saméméhna dina kajuaraan angkat besi junior dunya di Praha, Céko taun 2007, Eko meunang emas jeung dilélér minangka pangangkat pangalusna dina éta turnamen. Dina Olimpiade London 2012, Eko pikeun kadua kalina berturut-turut jadi kontributor medali kahiji Indonésia ku meunang medali perunggu di kelas 62 kg, manéhna rengking katilu kalayan total angkat 317 kg. Dina karirna manéhna geus meunang opat medali dina Olimpiade Usum Panas, lima medali dina kajawaraan dunya, sarta tilu medali di Asian Games, kaasup hiji emas dina 2018. Anjeunna salah sahiji ngan 5 angkat beurat anu geus meunang 4 medali Olimpiade.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1576", "text": "Boga babaturan anu bageur tangtuna impian, komo deui anu bisa ngadukung urang boh dina kaaayaan keur di handap atawa keur di luhur. Untungna urang mibogaan babaturan kawas kitu, anu jumlahna teh 6 orang. Maranehna balageur pisan, jeung bisa silih dukung di mana mun aya hiji babaturan nu keur kasusahan ge sok dibantuan. Sanajan geus di wisuda kuliah jeung boga kasibukan sewang-sewangan, tapi untungna teh urang masih keneh padeukeut di hiji kota keneh. Hubungan jeung babaturan masih keneh ka jaga. Biasana sok ngayakeun kemping sataun sakali, atawa paling henteu ge panggih di cafe unggal poe libur. Mun teu bisa panggih sok video call an pas peutingna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5370", "text": "Mun Lebaran Idul Fitri, umat muslim sok ngalaksanakeun sholat ied. Sholat Idul Fitri nyaeta dua rokaat. Mimiti, ucapkeun niat sholat tuluy takbirotul hrom. Tos takbirotul ihrom, baca doa iftitah. Beres maca doa iftitah, lakukeun takbir zawaid saloba tujuh kali di rokaat pertama jeung lima kali di rokaat kadua. Di antara takbir zawaid, bacaan na nyaeta \"Subhanallah Walhamdulillah Wa Laa Ilaha Illallah Wallahu Akbar\". Beres takbir zawaid ka tujuh, dilanjutkeun ku Alfatihah jeung surat-surat Al-Qur'an. Tuluy ruku jeung sujud. Dina rokaat kadua laksanakeun takbir zawaid lima kali tuluy ruku jeung sujud terus ditutup ku salam. Beres dholat Ied teh teras ngadoa sasarengan. Beres ngadoa nembe we sasalaman silih hampuraan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "197", "text": "Ku sabab urang resep jajan, aya sababaraha rekomendasi tempat jajan di Bandung anu murah tapi enak. Nu kahiji Roti Gempol, cocok jang sarapan nu teu terlalu wareg. Aya rupa-rupa roti amis, jeung asin. Nu kadua, Sari-Sari, didieu jenis dahareunna loba pisan mulai ti jajanan pasar gorengan nepi dahareun berat ge aya. Nu katilu, Sei Sapi Lamarela, Sei na ngeunah pisan. Nu kaopat, Sate Ayam Braga Permai, sate na enak. Nu kalima, Mie Kocok Bandung Persib, mie kocok nu paling ngeunah aya pilihan kikil, suku, jeung iga sapi na nu lembut. Nu kagenep, Ichiyo Ramen bisa jadi salah sahiji pilihan jang dahar peuting, hargana cukup kajangkau, tuluy tempatna oge nyaman.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8796", "text": "Dina bal leungeun, pamaén kedah ngagunakeun leungeun maranéhna pikeun meunangkeun saloba-lobana angka. Dina bal tangan bakal aya dua tim padeukeut dimana tiap tim diwangun ku 7 pamaén inti anu diwangun ku 6 pamaén jeung 1 kiper. Téhnik maén bal téh aya tilu, nyaéta téknik operan, téknik ngagiring jeung téknik nembak. Dimimitian ti ngagiring bal anu teu bisa leuwih ti tilu hambalan, lajeng urang bisa ngalirkeun bal ka batur tim urang. Ngaliwatan bal ogé urang kudu merhatikeun jarak sangkan balna teu katinggaleun. Sanggeus ngoper, urang bisa nembak bal ka tim lawan. Téhnik nembak dina kaulinan bal téh aya sababaraha, nya éta téhnik nembak ku cara luncat, nembak ku nangtung, nembak samping, nembak malik, nembak terbang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5065", "text": "Malem taun baru teh biasana abdi sok jalan-jalan ka luar imah. Tah taun ayeuna mah jalan-jalan na ka Pantai Cipatujah. Inditna jeung kulawarga pas maleman taun baru. Nepi kaditu teh sore-sore, alhamdulillah cuacana keur cerah. Tah pas peuting taun baruna, abdi sakulawarga cicing di pantaina. Beuh eta meuni rame pisan nu nyeungeut kembang api ka arah pantai. Sora musik meuni patarik-tarik, ah suasana pantai jadi rame weh pokokna mah. Abdi atoh pisan ningali kembang api nu ngahias langit, meuni endah pisan. Ditambah deui hawa pantai nu tiis nyelecep. Ah, ieu mah bakal jadi kenangan nu moal dipohokeun ceuk abdi teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "116", "text": "Sky Lounge di Bandung anu estetik jeung romantis pisan nuansa na ala Jepang. Ngaranna Hanami Coffee nu aya di Jalan Cihampelas Bandung. Didieu aya tangkal sakura na kitu, cocok pisan jang santai jeung babaturan atawa ajak kabogoh kadieu oge bisa pisan. Didieu aya area outdoor, semi outdoor, jeung indoor na oge. Pemandanganna endah pisan. Ditambah deui bisa barbeque an, tuluy aya sop rumput laut, aya oge takoyaki. Salian ti eta, bisa oge sewa kostum ala-ala orang Jepang kitu. Pokona seru pisan nongkrong didieu mah. Lamun kadieu ulah poho foto jeung tag ka IG na Hanamicoffee ngameh meunang es krim haratis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2828", "text": "Ti mana asalna kontaminasi radioaktif anu dileupaskeun tina pembangkit listrik? Tina ngaduruk batubara. salila kabentukna batubara di jaman pra-cambrian. Unsur-unsur radioaktif nu geus aya dina waktu harita kajebak dina batubara, tuluy sabada diduruk di PLTU, unsur-unsur ieu dileupaskeun sarta sumebar ka lingkunganana dibarengan ku lebu jeung haseup. Unsur radioaktif ieu asalna tina turunan Uranium. Kira-kira 16 tina 92 ​​unsur alam kapanggih dina batubara, lolobana unsur nu diturunkeun tina uranium aya dina nilai handap 0,1 persen (1.000 bagian per juta, atawa ppm disingget). Éta sakedik, tapi coba kalikeun ku sabaraha ton batubara anu anjeun kaduruk. Contona, PLTU ngahasilkeun 500 Megawatt listrik (ku cara ngaduruk 1.430.000 ton batubara). Salaku babandingan, numutkeun laporan Badan Nasional Amérika pikeun Perlindungan sareng Pangukuran Radiasi (NCRP), parantos ngitung yén rata-rata radioaktivitas batubara nyaéta 4,27 microcuries / ton. Numutkeun laporan NCRP No. 92 jeung 95, paparan radiasi ka populasi tina operasi 1.000 MW(e) PLTN jeung PLTU batubara nyaéta 490 person-rem/taun pikeun PLTU batubara jeung 4,8 person-rem/taun pikeun PLTN.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8025", "text": "Waktos lowong supadosna dieusi ku kagiatan nu ngagaduhan manfaat. Jaman ayeuna loba jalmi nu milih kagiatan sapertos nonton, gogoleran, bari dahar kadaharan nu teu sehat. Perkawis eta tiasa nyebabkeun efek nu goreng kana awak, sapertos nimbulkeun panyawat diabetes. Panyawat nu biasana tara nimbulkeun gejala ieu kaasup ka salah sahiji panyawat paling mematikan. WHO nyebatkeun mun panyawat ieu aya diurutan ka dalapan panyawat paling mematikan di dunya, samentara di Indonesia panyawat ieu aya diurutan ka tilu. Kusabab eta hayu urang pilih kagiatan nu ngagdauhan manfaat sapertos olahraga supados dijauhkeun ti panyawat diabetes. Arurang tiasa mulai ngalakukeun olahraga rutin jeung lempang upami dongkap kamana-mana.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9458", "text": "Salah sahiji tempat wisata anu viral di Bandung nyaeta Taman Hutan Raya Ir. H. Djuanda, nu mangrupa taman nasional panggedena di Jawa Barat. Taman ieu aya di suku Gunung Guntur, sareng legana sakitar 12.000 hektar. Taman ieu dikenal minangka salah sahiji tempat wisata anu pang populerna di Bandung kusabab kaendahan alamna anu luar biasa, oge seueur fasilitas anu aya pikeun pengunjungna. Di Taman Hutan Ir. H. Djuanda, pangunjung bisa ngarasakeun rupa-rupa kagiatan saperti leumpang di taman, ningali rupa-rupa tutuwuhan jeung sasatoan liar, sarta olahraga kayaning sapedahan atawa hiking sapanjang jalur anu disadiakeun. Sajaba ti rta, taman ieu ogr ngabogaan sababaraha tempat makan jeung peristirahatan nyaman keur wisatwan. Taman Hutan Ir. H. Djuanda mangrupa tempat wisata anu wajib didatangan pikeun wisatawan anu hayang ngarasakeun kaendahan alam Bandung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "174", "text": "Nyieun konten di Sosial Media oge boga kagiatan nu mangpaat, siga ningkatkeun pemahaman kana teknologi. Lamun urang deukeut jeung teknologi, urang moal nepika \"gaptek\". Ayeuna kemampuan akrab jeung teknologi geus jadi kemampuan nu kudu dipiboga kabeh jelema. Jeung deuih nyieun urang apal naon nu keur tren, sabab neangan konten di sosial media urang kudu ngalakukeun riset hal naon nu keur jadi tren pas keur eta, kagiatan ieu nyieun urang jadi apal ngeunaan kabar jeung isu anyar nu keur rame. Oge bisa jadi potensi jang penghasilan tambahan, ayeuna loba sosial media nu mere jalur ka konten kreator jang meunangkeun penghasilan di sosial media eta. Jadi lamun urang geus boga pengikut loba bakal mere kasempetan jang ngalakukeun konten sponsor jeung brand atawa perusahaan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8042", "text": "Aya hiji jelema ngaranna Andi anu geus resep pisan kana basket ti budak leutik. Waktu keur leutik, Andi sering ngaluangkeun waktu luangna jeung babaturanana di taman deukeut imahna. Tapi, ku waktu, Andi mimiti mendakan minat anu langkung jero dina basket sareng mimiti ngiringan sababaraha liga sareng pertandingan. Andi diilhaman pisan ku pamaen basket profesional anu jadi idola jeung atlit favoritna, nyaeta Kobe Bryant. Andi kagum ku kamampuan Bryant maen basket sareng dedikasina pikeun janten anu pangsaena di lapangan. Andi malah ngumpulkeun sadaya kaos Kobe Bryant sareng barang dagangan anu anjeunna tiasa mendakan. Iraha wae Kobe Bryant maen di buruan, Andi sok nuturkeun jeung lalajo kalayan sumanget pisan. Anjeunna diajar tina kaulinan sareng strategi Bryant, nyobian niru eta sareng nerapkeunana dina kaulinanna sorangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "521", "text": "Lagu manuk dadali asalna ti Sunda nu mibogaan harti nyaeta Burung Garuda. Lagu ieu diciptakeun ku Sambas Mangundikarta, pas taun 1906 jeung geus kasohor pisan pas taun eta oge. Lagu manuk dadali mibogaan makna nyaeta lagu eta nyaritakeun ngeunaan hiji manuk nu katinggali gagah perkasa nu mibogaan simbol ti hiji nagara, nyaeta nagara Indonesia. Pas keur eta, lagu ieu sukses naek di tangga musik di hiji tempat, nyaeta di RRI Bandung. Anu mana pas keur eta RRI mangrupakeun hiji radio nu kasohor pisan. Lirik lagu dina lagu ieu oge mibogaan makna sorangan anu artina nyaeta ngagambarkeun hiji kagedean oge hiji kareueusan hiji bangsa Indonesia ka nagarana sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4522", "text": "Pertandingan sepak bola nyaeta olah raga anu di lakukeun ku dua tim anu saling lawan na, dua tim eta terdiri ti 11 urang anggota, Maén bal dimaénkeun ku cara nyepak atawa najong bal ka lawan tujuana pikeun ngasupkeun bal ka gawang lawan. Anu meunag skor panglobana dina waktu anu ges di tangtukeuun eta anu meunang. Dina pertandingan maen ball atawa epak bola aya aturana turana nu kudu di lakukeun ameh teu beuang pelanggaran salah sahijina nyaeta aya nu ngarana tendangan pinalti, Tendangan pinalti dileler ka tim anu pamaénna dilanggar dina kotak pinalti lawan. Dina prosés najong pinalti, pamaén séjén kudu aya di luar kotak pinalti. Lamun tajongan pinalti geus dilaksanakeun sarta gol geus beunang kaitung, permainan balik deui ka normal. Sanajan kitu, lamun tendangan pinalti teu dicitak tur masih aya dina wewengkon maén, duanana tim diidinan nyandak bal sarta nuluykeun permainan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8890", "text": "Cara anu bener pikeun ngagunakeun vacuum cleaner. Kahiji, saméméh ngahurungkeun vacuum cleaner, pariksa heula jero vacuum cleaner. Sababaraha bagian anu kedah dipariksa nyaéta kabel, selang nyeuseup, saringan, sarta pemisah siklon. Pastikeun oge kantongna teu pinuh. Léngkah kadua, miceun obyék di lantai ku cara mindahkeun objék ieu ka tempat sanés. Ieu dimaksudkeun pikeun nyegah objék ieu disedot ku vacuum cleaner. Salaku tambahan, upami anjeun ngasupkeun barang anu keras sareng padet, penyedot debu tiasa ruksak. Léngkah katilu, gerakan dua arah, salah sahiji kasalahan dina ngagunakeun vacuum cleaner nyaéta ngan pindah ka hiji arah. Pikeun mastikeun yén sadaya kokotor disedot, laksanakeun gerakan bolak balik. Léngkah kaopat beresihkeun lalaunan, kasalahan umum anu dilakukeun ku seueur jalma nalika nganggo vacuum cleaner nyaéta buru-buru ngabersihkeun sofa atanapi karpét. Léngkah kagenep nyaéta ngabersihan tabung upami kantong lebu satengah kaeusi, piceun debuna langsung.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4232", "text": "Dodol teh sabenerna camilan atawa ayeuna dahareunkenyal jeung amis rasana ayeuna bisa rupa rupa bentukna oge bisa di sesuaikeun ngan biasana di kemas siga permen di bungkusan kitu. Dodol di jadikeun oleh oleh ku sabab praktis babari di bawana jieun tahan lila padahal ieu teh dahareun nu ges lila aya, dodol sabenerna teu ngan aya di garut tapi loba di daerah sejen oge tapi ngarana neda beda, saperti lamun di jawa di sebutna jenang atawa lamun di chinese sebut kue keranjang. Prosés nyieun dodol Garut dimimitian ku ngagolakkeun sababaraha bahan atah nepi ka kandel jeung berminyak.bahan bahana nyaeta.Tipung béas ketan anu ditumbuk atawa ditumbuk halus,, Gula beureum aren, Gula bodas, Santan. Salila di asakan pemanasan, campuran kudu diaduk terus pikeun nyegah ngagumpal. lamun ges jadi di tiiskeun adonan make minyak ameh henteu lengket. Saatos tiis, adonan bakal boga tékstur kenyal teguh tur bisa keureut. Dodol Garut ogé siap dinikmati.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9491", "text": "Ngeusi waktu luang kuring ku cara nulis sajak mangrupa salah sahiji kagiatan paling nikmat keur kuring. Nalika nulis sajak, kuring bisa ngabebaskeun imajinasi sareng nganyatakeun pikiran sareng perasaan ku cara anu langkung kreatif. Sabab dina puisi aya metafora anu bisa dimaenkeun, aya oge guguritan anu bisa diolah ku sagala rupa cara. Nulis sajak oge ngabantu kuring pikeun leuwih serius jeung fokus kana hiji hal, sangkan bisa poho sagala masalah nu keur disanghareupan. Salian ti eta, nulis sajak oge mantuan kuring pikeun leuwih mekarkeun kapekaan basa jeung ngaronjatkeun katerampilan nulis sacara umum. Ku kituna, ngeusi waktu luang ku nulis sajak teh mangrupa kagiatan anu kacida nikmatna jeung mawa pikabungaheun pikeun kuring.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1898", "text": "Pancuci piring mangrupa salah sahiji bagian tina pagawe nu aya di restoran, kadang biasana di mancanegara sok diisi ku barudak nu ker karuliah nu asalna beda jeung temat restoran na, leuwih tepatna kaasup bagian tina staf beberesih anu tanggung jawab kabersihan sakabeh kamar di réstoran éta. Dina usaha rumah makan, kaberesihan mangrupa hal anu utama, kaasup salah sahijina, nya éta kabersihan alat makan anu biasa digunakeun ku para pengunjung, saperti piring, gelas, sendok, garpu, péso, jeung pakakas séjénna. Sajaba ti éta, di réstoran badag, pamakéan c pisan mindeng dipaké, utamana lamun réstoran sibuk. Ku alatan éta, diperlukeun pagawe anu tugas husus pikeun ngabersihan parabot. Anjeunna ogé kedah mastikeun yén sadaya alatna beresih tanpa bau sareng ngawarnaan. Sajaba ti éta, anjeunna ogé diperlukeun pikeun ngalakukeun ieu gancang, tapi tetep kudu ati tur ati, ku kituna euweuh peupes ngarecah nalika ngumbah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6794", "text": "Abdi kaasup jalmi anu tara ka bioskop lantaran teu pati resep nonton pelem sasarengan jeung batur, komo anu teu kenal. Janten abi mah resepna lalajo pelem sorangan di bumi. Tapi abdi oge panasaran kumaha rasana lalajo di bioskop teh, bari jeung teu apal cara meser tiket na. Aya hiji rerencangan abdi anu sarua can pernah ka bioskop jeung teu apal oge cara na. Ahirna mah urang duaan nyobian ka bioskop lalajo pelem anu judulna NKCTHI. Urang duaan langsung ceurik lantaran pelem na nyaritakeun tentang kulawargi. Saatos lalajo urang dahar hayam duaan di KFC, teras mulih ka bumi masing-masing naek angkot.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2304", "text": "Kadatangan agama Budha di Indonésia lumangsung dina abad kalima Masehi, hal ieu diperkirakeun ku ningali titinggal prasasti nu kapanggih. Budha mimitina dianggap dibawa ku musafir Fa Hsien anu asalna ti Cina. Dina abad ka-7, aya karajaan Budha anu mekar di Indonésia, nyaéta Karajaan Sriwijaya anu jadi puseur kamekaran agama Budha di Asia Tenggara anu aya nepi ka taun 1377. Dumasar data anu dikaluarkeun ku Badan Pusat Statistik, diperkirakeun. yén jumlah jalma anu ngagem agama Budha di Indonésia nyaéta 1,7 juta jiwa, kalayan perséntase 0,7 persén tina total populasi di Indonésia sarta mangrupa agama panggedéna kalima di Indonésia. Agama Budha atawa anu sok disebut Buddha Dhamma ngabogaan kitab suci anu sok katelah Pitaka atawa Karanjang. The Pitaka dibagi kana tilu grup utama diwangun ku Vinaya Pitaka, nu Sutta Pitaka.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9466", "text": "Lamun urang rek nganjang ka hiji kota, tuluy butuh hotel keur netep salila di dinya, ayeuna mah geus teu kudu hariwang deui. Aya website anu nyadiaan palayanan pikeun urang neangan hotel di kota anu urang anjangan, nyaeta Airbnb. Berikut lengkah-lengkah anu kudu dilaksanakeun pikeun urang bisa mesen hotel liwat Airbnb. Pikeun mesen hotel liwat Airbnb, anjeun kedah nganjang ka situs web Airbnb sareng ngadaptar salaku pangguna. Saatos eta, anjeun tiasa milarian hotel anu anjeun pikahoyong ku ngagunakeun fitur anu bisa midangkeun ratusan pilihan hotel anu sayogi. Anjeun tiasa nyaring hasil pamilarian dumasar kana lokasi, harga, fasilitas, sareng seueur deui. Nalika anjeun mendakan hotél anu cocok sareng kabutuhan, anjeun tiasa ngaklik tombol \"Book Now\" pikeun neraskeun proses booking. Salajengna, anjeun bakal dipenta pikeun nuliskeun kontak sareng inpormasi metode pembayaran. Sakali inpo ieu geus dikintunkeun, anjeun bakal nampa hiji konfirmasi booking jeung kontak hotel. Anjeun oge bisa ngahubungan nu boga hotel atawa manajemen ngaliwatan fitur olahtalatah anu aya di situs Airbnb. Ieu bisa digunakeun pikeun anjeun anu boga patalékan atanapi kabutuhan husus salila anjeun cicing di hotel.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7909", "text": "Penting pisan kanggo urang pikeun misahkeun dana darurat tina rekening biasa. Rekening biasa anu dimaksud di dieu nyaeta akun anu biasana urang anggo pikeun transaksi jual jeung beuli sapopoe. Lamun teu dipisahkeun, urang bakal hese nyieun target dana darurat ieu kakempel nurutkeun rencana. Utamana upami urang gaduh akses anu gampang jeung gancang kana rekening eta. Saena mah urang nyiapkeun akun khusus anu moal sering urang anggo. Langsung we setorkeun duit urang ka rekening anyar eta. Lamun geus dikumpulkeun ulah make duit anu geus kakumpul eta pikeun kaperluan naon. Emut, tujuan utama pangumpulan dana ieu nyaeta kanggo kaayaan darurat. Janten tong dianggo pikeun kaperluan anu sanes.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2390", "text": "Seueur anu naroskeun ka kuring oleh-oleh khas ogé, kusabab kuring asli jakarta nu aslina nyablak. Sabenerna mah loba pisan oleh-oleh khas Jakarta, ngan ku jalma-jalma nu nganggap Jakarta teh kota gede, jadi nu di pikiran mah mall jeung gedongna, jadi eusina kitu, tapi teu bisa nyieun. oleh-oleh kawas daerah-daerah anu sanesna.. Anu disebatkeun mah kanggo barang anu tiasa dibawa lami-lami Enya, beda jeung kadaharan khas, mun disebatkeun hiji-hiji mah bisa loba.\nDahareun/inuman:\nBetawi dodol\nKue Geplak\nKiripik Goyang Kembang\nKripik Akar Kalapa\nKue semprong\nRoti Buaya\nKue Kéju Cork Endog \nKue Ketapang Cikal \nBir Pletok\n(Utamana bir Pletok ogé bisa disimpen dina kulkas lamun hayang seger, atawa dipanaskeun deui lamun hayang inuman panas).", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8120", "text": "Heti teh tos lim taun janten asisten rumah tangga di desa. Taun ieu manehna diajakkan tatanggana babantos di kota. Sarua siga di desa, di kota ge manehna damel janten asisten rumah tangga. Nanging mimiti gagawe Heti bingung kusabab teu aya sikat sareng papan paragi nyeseh baju. Tetela di kota mah nyeseh baju teh make mesin cuci. Baju nu karotor teh urang tinggal asupkeun we ka mesinna tur ditambihan cai sareng detergen. Kirang langkung sajam baju teh tos bersih tinggal diangkat. Heti bungah pisan nyaho aya mesin cuci kusabab ieu mesin tiasa ngaringakeun pagaweanna. Bahkan Heti teu kudu cape-cape meretan baju kusabab aya oge mesin pengeringna. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4919", "text": "Olahan lauk kembung mangrupikeun tuangeun nu wajib dituang ku saderek sarerea. Lauk kembung dipercaya tiasa mawa unsur nu alus jeung kasehatan. Seueur elmuwan nu tos ngabuktikeun yen lauk kembung teh lauk nu paling ageung kandungan proteinna, ngaleuwihan lauk salmon. Lauk kembung oge tiasa dipeser ku sagala kalangan sabab hargina nu mirah. Kandungan gizi dina lauk kembung teh sae pisan kangge pertumbuhan sareng perkembangan arurang sarerea. Ku kituna, ieu lauk bisa pisan jadi menu andalan atawa terobosan ngahemat acis tapi kenging manfaat gizi anu maksimal. Lauk kembung ieu biasa diolah ku cara digoreng atawa di tumis. Janten teu kudu ribet masana, tapi kenging full gizina. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5364", "text": "Peuting ayeuna Ganjar bakal tampil dina acara Muludan. Biasana sok digelar di mesjid jamie. Ganjar kabagean tampil maca puisi jeung hafalan surat pendek. Muludan na teh sok diayakeun meriah, sok ngondang penceramah ti luar desa atawa luar kota. Ganjar tampilna teh ka lima, beres penampilan pidato ti babaturan nana. Beres tampil, Ganjar sok jajan heula ka luar, meser jajanan sosis bakar. Geus jajan sok langsung diuk deui di hareupeun panggung kangge ngadangukeun ceramah. Ganjar biasana sok bareng jeung babaturan ngajina mun ngumpul dariuk teh. Mun acara geus beres, nembe Ganjar jeung babaturanna sok mulang pangheulana da hoream pasedek-sedek dina gerbang kaluarna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3835", "text": "Kanggo nu resep mie, kudu pisan cobian kuliner anu aya di daerah cikumpay nyaeta Mie Pelangi. Tempatna di sisi situ cikumpay, ayeuna mah di perluas kusabab loba peminatna. Wargi anu daratang ge lain orang cikumpay hungkul, lolobana orang timana-mana marawa mobil jiga bade wisata. Ceuk si bapak mah ayeuna mun rek pesen mie pelangi teh bisa make ceker atawa baso, terus minuman na aya jus jeung es buah oge. Pan baheula mah saukur mie pelangi jeung teh botol, tapi jigana makin kadie makin loba anu apaleun mie pelangi, jadi tempatna di perluas da sok pinuh wae, mun rek ka mie pelangi kudu ti jam 10 isuk bisi kaburu pinuh. Soalna pagawe pabrik mun istirahat sok ka mie pelangi, jeung mun poe libur sok loba wisatawan anu daratang ti kota. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6115", "text": "Jualan ti imah ge ayeuna mah babari larisna sabab loba nu dipromosikeun lewat sosial media. Ayeuna mah seueur nu milarian jajanan teh di media sosial, tuluy didelivery ka imah. Tah ieu teh jadi peluang besar jang muka jajanan supaya bisa promosikeun dina sosial media dugi ka laris. Kadang mah diposting dina status Whatsapp hungkul ge sok loba nu mesen kangge delivery. Janten, teu kudu muka warung di bumi, cukup tinggal nyadiakeun iklan we di sosial media, tuluy dianterkeun ka bumi pelanggan nu pesen. Leuwih hemat tempat jeung waktu leuwih fleksibel, bisa dipake sambilan. Mantak ayeuna mah teu kedah seueur warung nu nyita tempat, kantun kersana icalan we.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2310", "text": "Qunut mangrupikeun salah sahiji masalah umat anu sok janten perdebatan panas ti generasi ka generasi. Ayana perdebatan ieu, disababkeun ku kurangna pamahaman bab Qunut. Ieu saterusna ngabalukarkeun kabentukna stigma di masarakat, anu pamustunganana ngabalukarkeun masarakat dibagi antara pro jeung kontra ngeunaan masalah Qunut. Ku kituna, perlu dina ieu artikel ngabahas sacara jéntré masalah qunut dumasar kana jihat 4 Mazhab. Sedengkeun pikeun mayoritas ulama fiqih, maranéhna boga pamadegan yén Qunut dipigawé ngan pikeun musibat badag anu tumiba ka umat Islam. Sarta sajumlah leutik pamadegan yén Qunut ieu pancen dilaksanakeun dina solat Subuh, sanajan teu aya kajadian badag anu tumiba ka umat Islam. Pamadegan ieu Imam Ahmad bin Hambal.\nSedengkeun pikeun waktu palaksanaan, Imam Malik bin Anas jeung Imam Syafi'i boga pamadegan yén Qunut dilaksanakeun dina siklus kadua solat subuh. Sanajan kitu, aya bédana antara duanana, dina hal iraha ngalaksanakeun Qunut, éta dipigawé saméméh atawa sanggeus ruku? Imam Syafi'i boga pamadegan yén Qunut dilaksanakeun saméméh ruku dina rakaat kadua ku sora anu nyaring sangkan kadéngé ku jamaah, sedengkeun Imam Malik boga pamadegan yén Qunut dipigawé saméméh ruku dina siklus kadua. dina sora lemah (Mammum teu ngadéngé).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7945", "text": "Tutorial cara ngalengit keur jangar sirah. Anu kahji nyaeta ngahuleng bari tara mikiran nanaon da loba pikira kalah jadi jangar. Kadua nyaeta sare bari ngambuan tai ucing dina bantai anu karasa na mantap. Katilu nyaeta hudang sare gagaro kanjut bari ngalamun dina teras. Anu kaopat nyaeta ngadangu keun lagu beca tiguling bari mikiran si amang na karunya da penumpang na gendut. Kalima patepang sareng rencang abdi anu pikaseuriun. Kagenep nyaeta kedah nyanyi ngajorowok di kamar mandi. Katujuh kedah janten conto kangge rencang anu nuju jangar, nyaeta ajakan rencang eta ngalakukeun tutorial anu di luhur sareng kedah nepi hafal tutorial na supaya janten elmu anu barokah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "108", "text": "Sarae Hills, tiket asupna Rp 50.000 saorangna geus meunang cai nginum pas asup, tuluy meunang pasport. Bayar Rp 15.000 deui mun naek jembatan beureum. Jembatanna panjang 150 meter, luhurna 30 meter nyieun suku rada ngaderegdeg. Tapi sanajan ngaderegdeg, aya safety belt na jadi aman. Didieu nyadiakeun oge shuttle car haratis, jang nganteurkeun ka tiap areana, lantaran lega. Didieu bisa difoto-foto di miniatur landmark di sababaraha negara, aya Koloseum nu di Itali, aya Piramid Mesir, jeung nu sejenna. Pasport nu tadi bisa dicap jeung ditukeurkeun sakali print foto haratis. Didieu ge geus sadia payung lamun ujug-ujug hujan, bisa menta ka pagawena. Didieu ge bisa sakalian menikmati udara Punclut. Lamun kadieu paling ngeunaheun sore. Aya sababaraha restoran oge, jadi lamun lapar tinggal meuli hargana oge kajangkau mulai ti Rp 18.000.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9488", "text": "Hayang boga rencana liburan bareng kulawarga anu moal bisa dipohokeun? Hayu gabung kami pikeun ngarasakeun paket liburan kulawarga ka Alaska, salah sahiji tujuan wisata paling alus tur endah di dunya! Alaska mangrupikeun nagara bagean panggedena di Amerika Serikat anu kasohor ku pamandangan alam anu endah, sapertos gunung es, taman nasional sareng leuweung hujan tropis. Di Alaska, anjeun sareng kulawarga tiasa ngalakukeun rupa-rupa kagiatan anu pikaresepeun, sapertos leumpang ngurilingan gunung es, naek kareta api ngalangkungan gunung, atanapi nganjang ka taman nasional pikeun ningali kaendahan alam anu kacida asrina. Sajaba ti eta, di Alaska aya oge rupa-rupa panginepan nyaman jeung kajangkau, sarta nyadiakeun fasilitas anu lengkep pikeun kulawarga. Janten, ulah nepika kaliwat kasempetan pikeun ngaraosan liburan kulawarga anu teu bisa dihilapkeun di Alaska.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3913", "text": "Nyiru atawa tampah salah sahiji alat masak atawa parabotan nu aya di dapur, alat ieu geus aya ti jaman baheula. Jaman ayeuna geus jarang nu ngagunakeun nyiru paranti napikeun beas atawa nendeun sesuatu. Padahal nyiru ka asup parabotan tradisional has sunda, nyiru di jieun ti awi nu jelas ramah lingkungan, di jieuna manual di anyam jadi pasti leuwih kuat jeung bisa di pake dina waktos lila. Kagunaan na ge loba, bisa jadi alas mun keur ngajieun tumpeng, bisa jadi alas dina kueh nu biasa di dangkeun nu di kenal kueh tampah/ nyiru. Harga hiji nyiru ieu oge ka golong murah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3949", "text": "Rekomendasi satuluyna pikeun tempat wisata tersembunyi atawa di sebut hidden gems di Purwakarta salah sahiji na nyaéta Urban Farming Center. Lokasina di wewengkon Benteng, Kacamatan Campaka, Kabupatén Purwakarta. Tempat ieu sampurna pikeun nganjang sareng murangkalih sabab tiasa diajar seueur ngeunaan tatanén. Dimimitian tina cara melak siki, perawatan pepelakan dugi ka panén. Bentang tempat wisata ieu éndah pisan sabab dipinuhan ku rupa-rupa kembang anu warnana béda. Cocog pisan salaku tempat poto Instagramable. Latar poto séjén anu pikaresepeun nyaéta ayana imah mini gaya Éropa. Akses jalan ka tempat ieu ge teu pati hesehese teuing, mun ti sadang cekap naek angkot atawa maju ka arah subang. Nepi ka pasar minggu belok ka arah benteng. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "84", "text": "Saenggeus cape olahraga, ceuk urang mah teu cocok langsung dahar berat. Biasana urang neangan buah-buahan jang mulihkeun tanaga. Sabab otot jeung awak geus kerja keras nepi kudu dibere dahareun jang mulihkeun tanaga. Buah nu mindeng ku urang dahar saberes olahraga di antarana, kahiji cau, alesanna sabab saenggeus olahraga, awak butuh karbohidrat jang energi. Tah cau kasohor jadi sumber karbohidrat nu paling alus, kalorina oge rendah jadi nyieun wareg. Nu kadua apel, alesanna sabab jumlah kalori nu rendah jeung jumlah gizi nu tinggi pisan. Nu katilu ganas, alesanna sabab bisa mempercepat pemulihan otot jeung sel nu kakuras ku olahraga. Kandungan cai na oge loba jadi bisa kahindar tina dehidrasi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9341", "text": "Lamun urang butuh bantuan babaturan, urang kudu ngarti heula kaayaan babaturan. Teras, nalika urang parantos terang yén sobat urang ogé ngalaman kasusah, maka ulah nambihan beban dina pikiranna nalika anjeunna ngadangu yén urang peryogi bantosan ti anjeunna. Teu salah lamun urang nanya heula naha manéhna bisa nulungan urang atawa henteu. Alangkah alusna lamun urang geus nyaho kana kasulitan manehna, sabisa-bisa ulah nambahan beban pikiranana. Kusabab aya sababaraha jalma anu gampang ngalaman setrés nalika keur loba pikiran. Upami anjeunna ngalaman setrés anu kaleuleuwihan kusabab kalakuan urang, anjeunna malah tiasa ngajauhan urang pikeun ngagampangkeun beban pikiranna. Ku kituna, urang kudu ménta tulung ka jalma anu bener teu ngalaman kasusah dina kahirupan maranéhanana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "968", "text": "AC atawa air conditioner mangrupakeun salah sahiji alat elektronik nu paling loba digunakeun di Indonesia. Alat elektronik ieu fungsina jang niiskeun rohangan jadi solusi nyanghareupan udara anu panas. Salian ti nisskeun rohangan, nyatana AC oge mibogaan mangpaat jang kasehatan. Mangpaat AC bisa ngurangan resiko kakeunaan gangguan pernapasan, utamana nu cicing di daerah nu kebul jeung tingkat polusi nu gede. Lantaran AC dilengkepan ku penyaring udara jang nyegah asupna polusi kana jero rohangan. Mangpaat nu sejenna nyaeta mun boga bayi di imah, AC bisa ngajaga suhu rohangan jang bayi ngameh tetep stabil, jadi sarena oge leuwih nyaman, jeung ngurangan resiko dehidrasi atawa ruam kulit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3038", "text": "Hirup kuring salami iyeu aman sareng nyaman, kuring henteu kantos mikirkeun artos. Saparantos lulus kuliah, abdi langsung ngagaduhan padamelan di perusahaan ageung. lanceuk jeung adina mah sarua jeung kuring. Ku gawe jeung nabung mah lanceuk bisa boga apartemen sanajan cicilan, tapi ku sabab diajarkeun kitu sangkan bisa meunang naon anu dipikahayang ku duit sorangan. sabab senen - jumaah urang cape gawe, saptu jeung minggu waktu istirahat. sakapeung mah hudang soré, kaluar jeung babaturan jeung indit ka mall tanpa kahariwang. hirup salawasna aman tur tengtrem. ieu hirup kuring jeung tukang pagawe. Sareng nalika kuring nikah, kuring mutuskeun pikeun mundur ti kantor sareng ngabantosan salaki kuring anu mangrupikeun pengusaha dina séktor percetakan sareng perhotelan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8899", "text": "Siri mangrupikeun aplikasi pangenal sora anu pinter kalayan kamampuan ngajawab sababaraha patarosan ti pangguna iPhone sacara intuitif. Tapi Siri langkung ti ngan éta hungkul, katingali salaku robot sareng Artificial Intelligence (AI). Geniusna Siri nyaéta ngagabungkeun tipe anyar \"bot informasi\" (bot nyaéta program komputer husus dijieun pikeun ngalakukeun pagawean tangtu jeung otomatis) jeung tipe heubeul \"bot manusa-nulungan\". Gantina pinning Siri dina robot Artificial Intelligence ngawangun manusa, Apple nerapkeun eta ka smartphone kalawan konsép sekretaris atawa asisten pribadi. Jang ngalampahkeun kitu, Apple masihan Siri sora sareng sakumpulan kaahlian anu sigana dirancang pikeun ngajantenkeun sadayana ngarasa terang sadayana sareng tiasa ngalakukeun naon waé.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8866", "text": "Di imah kuring aya hiji radio jeung hiji televisi, radio boga indung kuring jeung televisi boga bapa kuring. Bapa kuring teh resep pisan nonton tipi, khususna upami aya pertandingan sepak bola anu dijadwalkeun. Kitu deui jeung indung kuring resep pisan ngadengekeun radio, sabab geus jadi hobi ti budak leutik. Tos sababaraha poe di imah teh, indung jeung bapa kuring pa adu-adu omong kulantaran hayang ngadengekeun radio jeung lalajo tipi di tempat anu sami sareng dina waktos anu sami. Éta teh teu mungkin, sabab tangtu imah bakal gandeng pisan jeung maranehna oge teu bisa fokus kana ngadengekeun eta. Tungtungna kuring méré solusi, nyaéta ku mindahkeun televisi ka lantai dua, sarta radio tetep di lantai kahiji. Sangkan duanana bisa ngalaksanakeun kagiatanana masing-masing kalawan genah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "989", "text": "Instagram mibogaan loba fitur nu bisa ngadukung UMKM jang ngapromosikeun produkna sacara digital leuwih babari. Salila ieu, pelaku bisnis leutik bisa nambahkeun tautan ka profil Instagram. Tujuanna nyaeta ngarah follower nu sumping kana profilna, bisa langsung ngaklik tautan eta, boh eta tautan kana chat WhatsApp Business, marketplace toko, atawa website resmi. Tapi aya fitur nu sejen nu bisa beuki ngababarikeun follower ngahubungkeun kreator atawa pebisnis leutik. Fitur ieu nyaeta nautkeun link chat kana WhatsApp Business atawa direct message IG di tiap postingan Instagram. Jadi tiap postingan Instagram bakal aya tombol nu bisa langsung diklik follower jang ngirim pesan WhatsApp atawa DM IG ka kreator. Jadina follower teu kudu muka profil heula.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7961", "text": "Lantaran seeur nu gaduh kebon di desa, pasti kedah aya nu ngajagi kebon eta. Biasana para jalmi anu gaduh kebon teh ngajadikeun anjing salaku anu ngajagi kebonna. Matak teu heran lamun pas urang datang ka desa mimiti pasti sok aya seeur anjing anu ngagongggong di mana wae, eta teh tanda yen manehna nuju ngajagi kebonna bisi digaleuy atawa didatangan ku jalmi anu sanes. Biasana anjingna ditalian tapi garalak supados teu aya nu wani ngadekeutan kebon eta. Anjing ieu ngabantos pisan kanggo para patani jeung nu boga kebon lantaran anjeunna teu kedah sieun aya nu maok hasil panen manehna pas peuting-peuting. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2805", "text": "Jujur akhir-akhir ieu, kuring beuki sieun ku kamampuan robot anu beuki maju. Ieu teu bisa disangkal yén leuwih waktos sagalana bisa dipigawé ku robot. Namung, robot diprogram pikeun nyieun kaputusan dumasar kana input nu geus dikodekeun ku nimbang-nimbang aspek logis (anu bisa diitung), lain dumasar kana intuisi jeung hakekat kahirupan sorangan sabab teu boga parasaan/perasaan. Malah AI anu boga aspék logis tina sistem-nyieun kaputusan teu boga naon nu disebut parasaan. Jadi hakim kudu boga rasa hirup jeung tangtu boga rasa kamanusaan. Hiji-hijina kasempetan dimana robot tiasa ngagentos manusa nyaéta pikeun nyiptakeun produk dina mesin industri (lean). Fokusna nyaéta laju sareng ngagentos manusa pikeun kategori padamelan anu bahaya.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3633", "text": "Survei Badan Penelitian dan Pengembangan (Balitbang) Kementrian Perhubungan (Kemenhub) ngungkabkeun yén mayoritas masarakat panglobana ngagunakeun aplikasi transportasi online Gojek. Saloba 59,13 persén réspondén nyatakeun yén aranjeunna milih aplikasi ieu anu dilakukeun ku perusahaan decacorn domestik.\r\n\r\nSanggeus Gojek, masarakat ngagunakeun aplikasi Grab (32,24 persen), Maxim (6,93 persen), InDriver (1,47 persen) jeung sajabana (0,23 persen).\r\n\r\nSistem pembayaran anu dipikaresep nyaéta kas sareng artos éléktronik (41,69 persén), artos éléktronik (32,532 persén) sareng artos (25,69 persén). Frékuénsi paling sering ngagunakeun ojek online per minggu nyaéta 1-3 dinten per minggu (50,24 persen).\r\n\r\nSamentara éta, jalma anu ngagunakeun jasa ojek online didominasi ku lalaki (53 persén), pagawé swasta (35,40 persén) jeung panghasilan panglobana per bulan handap Rp 3 juta. Dina hal pengeluaran, lolobana méakkeun kira-kira Rp 10.000 – Rp 25.000 (51,41 persén) pikeun pesenan ojek online jeung kurang ti Rp 25.000 (41,47 persén) pikeun angkutan séjén.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "52", "text": "Aya sababaraha jenis cireng anu aya di Kota Bandung. Nu kahiji, cireng tadisional, bentukna datar teu beraturan, ukuranna leuwih kandel jeung strukturna geunyal. Kadua, cireng rujak nyaeta nu bentukna modifikasi tina cireng tradisional, bentuk cirengna mah teu beda, bedana dina saosna. cireng rujak disajikeun jeung bumbu rujak salaku saos jang cocolanna. Rasa bumbu rujak biasana campuran rasa amis, haseum, gurih, jeung lada. Katilu, cireng isi nyaeta jenis cireng nu cukup populer, bentukna unik jeung beda. Biasana bentuk cireng isi nandaan eusi di jero cireng. Mulai ti bentuk hate, bintang, kotak, segitiga, nepika bentuk siga pastel. Rasa di jerona gumantung kana bentuk cirengna, aya rasa ayam, sosis, keju, bakso, daging sapi, oncom, keju, jeung sajabana. Nu terakhir cireng persib, bentukna unik sabab bentukna buleud rapih, gepeng, jeung ipis. Biasana diguyur ku bumbu kacang nu loba.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9316", "text": "Ngatur kauangan anu efektif penting pisan pikeun unggal karyawan atawa anu boga pekerjaan. Alesanana, lamun teu diatur bener, gajih bisa jadi ngan jol beak atawa malah ngarasa kirang, sarta teu sabanding jeung pengeluaran. Salah sahiji hal anu kedah diperhatoskeun dina cara ngatur kauangan sacara efektif nyaéta nyetél dana darurat. Hal ieu dilakukeun supados anjeun tiasa antisipasi dina nyanghareupan sagala rupa kamungkinan anu aya hubunganana sareng kauangan. Dana darurat nyaéta dana anu ngahaja disesakeun pikeun disimpen minangka wujud antisipasi sarta bisa dipaké nalika kajadian atawa kaayaan darurat anu teu disangka-sangka atawa teu dipikahoyong. Atawa bisa dina bentuk rekening bank kalawan duit anu disisihkeun pikeun pengeluaran badag nu teu kaduga, kayaning pembayaran médis anu teu kaduga, perbaikan atawa ngagantian pakakas rumah tangga, perbaikan mobil utama, sarta antisipasi nalika nganggur atawa leungitna sumber utama panghasilan. Kacindekanana, dana darurat mangrupa wujud antisipasi urusan kauangan lamun aya kajadian anu teu disangka-sangka. Ku kituna, urang kudu nyiapkeun dana darurat urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8643", "text": "Konsep dana darurat panginten henteu janten perhatian utama dina jaman baheula kusabab kahirupan anu langkung sederhana sareng stabilitas ekonomi anu langkung ageung di sababaraha masarakat. Baheula, jalma hirup dina sistem sosial jeung ekonomi beda jeung fokus kana aspek kahirupan beda, kayaning minuhan kabutuhan dasar kayaning dahareun, panyumputan, jeung pakean. Salaku tambahan, sajarah oge nunjukkeun yen sababaraha masarakat baheula parantos ngembangkeun sistem tradisional atanapi alternatif pikeun ngatasi kaayaan kauangan anu teu kaduga. Contona, sababaraha komunitas geus ngembangkeun hiji sistem gotong-royong, dimana anggota masarakat gawe babarengan pikeun mantuan batur anu ngalaman kasusah finansial. Salian ti eta, masarakat oge ngabogaan rupa-rupa bentuk asuransi sosial, saperti sistem panyaluran bantuan antar anggota kulawarga atawa sistem bantuan keuangan ti pamarentah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7102", "text": "Waisak ditandaan ku tilu kajadian penting anu lumangsung ka Gautama Buddha atawa Guru Agung pikeun Budha. Tilu kajadian ieu ditandaan ku lahirna Gautama Buddha anu mapah nuju nyampurnakeun pencerahan sareng angkatna Buddha. Tilu acara ieu dikenal minangka Hari Tri Suci Waisak. Aya seueur runtuyan acara anu dilaksanakeun ku umat Budha sateuacan dinten Waisak, contona, semedi, ibadah sareng sedekah. Runtuyan acara eta tangtu, boga harti jeung tujuan sorangan. Salian ti ngarayakeun Waisak kalayan festival sareng upacara, umat Budha biasana ogé ngalaksanakeun upacara Bathing the Buddha dina dinten Waisak. Upacara ieu tujuanna mepeling dimana cai ngalir ngaliwatan taktak Buddha, tujuanana pikeun ngingetkeun jalma pikeun ngabersihan pikiran maranehanana tina sagala pikiran negatip, kayaning kakeheul atawa karanjingan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1869", "text": "Kumaha upami aya anu henteu biasa ngonsumsi sayuran? Kanyataanna, dina piramida gizi saimbang, sayuran ogé gizi penting pikeun awak. Kurangna ngonsumsi sayuran tangtos tiasa nyababkeun kaséhatan awak sapertos ngalaman masalah pencernaan, kakurangan vitamin sareng mineral, sareng ningkatkeun résiko panyakit sanés. Lantaran saban poé, rata-rata masarakat Indonésia kurang ngonsumsi buah jeung sayuran, ku kituna maranéhna rentan kana résiko turunna kaséhatan saluran cerna lantaran nyerep gizi jadi kurang optimal. Leuwih ti 70 persén sél imun gumantung kana sistem pencernaan awak akur jeung ikatan ahli gizi Indonesia nyebutkeun yén unggal poé urang Indonesia rata-rata kurang meakeun sayuran jeung buah, ngarah rentan kana resiko turunna kaséhatan sistem pencernaan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5765", "text": "Poe ieu abdi bade nonton pertandingan bola nu dilaksanakeun antardesa. Ayeuna teh bagean pemuda di desa abdi tanding dina babak semifinal. Abdi angkat ka lapanganna bareng sareng warga ngangge mobil bak terbuka. Abdi jeung rombongan indit isuk-isuk supaya bisa ngetag tempat jang nonton. Mun nu rek tanding na mah inditna marake motor, ngaleut jeung nu nonton. Tos jam salapan teh tuluy we dimulai pertandinganna. Nonton na ge meuni gereget sabab lawanna imbang, sarua jagona. Permaenan teh jadi heboh pisan ka penonton sabab loba kasempatan jeung ngadeukeutan gawang. Pertandingan ditutup ku skor 1-0 dimenangkeun ku desa abdi. Geus beres pertandingan mah tuluy we ngaraleut deui uih.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5060", "text": "Jawa Barat gaduh bus pariwisata nu saragam modelna tapi beda ngaranna di unggal kota atawa kabupaten. Nu kahiji nyaeta Bandros nu ayana di Bandung. Bandros singkatan tina Bandung Tour on Bus. Bus ieu ngalayanan sababaraha rute nu dibedakeun ku warna bus. Nu kadua nyaeta Ngulisik nu aya di kota Tasikmalaya. Ngulisik singkatan tina Nguriling kota Tasik. Nu katilu, bus Jawis nu aya di Kabupaten Subang. Bus Jawis singkatan tina Jawara Wisata. Nu kaopat nyaeta Tampomas nu aya di Sumedang. Tampomas singkatan tina Trans Moda Pariwisata Masyarakat Kota Sumedang. Nu kalima nyaeta bus Gatrik ti Ciamis. Bus Gatrik singkatan tina Galuh Tour Kota Klasik. Salian lima ieu ge seueur keneh bus pariwisata nu aya di kota-kota di Jawa Barat nu bakal dibahas salanjutna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2638", "text": "Abdi resep ngajalankeun jogging, push up, squats sareng treadmill. Kumaha bae kuring resep olahraga nu teu ekstrim teuing jeung untungna kuring geus pernah ngalaman tatu otot. Abdi biasa ngalakukeun sit up tapi otot burih abdi tatu (untung éta hampang, butuh sababaraha poé) jeung kuring mindeng ngalaman tatu otot. Ayeuna, pikeun sababaraha alesan, kuring langkung resep ngalih ka olahraga ringan sareng henteu maénkeun seueur otot. Kanggo sababaraha alesan, push-up sareng squats henteu kantos ngalaman tatu otot janten ieu naha kuring sering ngalakukeun éta unggal olahraga tinimbang sit up. Tapi jujur, kuring langkung resep jogging, lumpat, sareng treadmill sabab anjeun henteu kedah maén otot anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2820", "text": "Nalika mobil listrik leres-leres tiasa ngecas batréna sapertos ngeusian béngsin, teras panginten kuring bakal serius mertimbangkeun ngalamar mobil atanapi kendaraan listrik sanés. Sagedengeun ti eta, kuring sorangan condong teu manggihan jiwa jeung parasaan dina kandaraan listrik, kontras jeung kandaraan mesin durukan internal, dimana kadang karakter jeung sora mesin bisa jarring nu bisa nyadiakeun sahenteuna sababaraha kapuasan dina sorangan. harga listrik jeung BBM di unggal nagara. Di Indonesia harga listrik rada mahal jeung harga BBM teu mahal teuing dibandingkeun jeung nagara sejen ditambah subsidi BBM ti pamarentah. Éta sababna di Indonésia bakal langkung mirah upami nganggo kendaraan anu nganggo bahan bakar minyak. Sapertos ngabandingkeun sareng Jerman. Di Jerman harga listrik 25 Cent/kWh lumayan murah sareng harga BBM sakitar 1,5€/Liter. Anjeun tiasa nyarios di Jerman bakal langkung efisien upami anjeun nganggo Kendaraan Listrik. Faktor séjén nyaéta di Jerman harga listrik anu langkung mirah peuting ti beurang, dimana harga BBM tetep konsisten sapopoe.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "532", "text": "Aya carita Lutung Kasarung, jadi aya hiji raja nu ngarana Prabu Tapa Agung, boga anak awewe dua orang ngaranna Purbararang jeung Purbasari. Sanajan adi lanceuk tapi mibogaan sifat nu beda pisan. Purbararang boga sifat iri jeung sarakah, sedengkeun Purbasari mibogaan sifat pangampura jeung wijaksana. Singkat carita Purbararang ngusir Purbasari, tuluy Purbasari panggih jeung monyet hideung anu ngaranna teh Lutung Kasarung. Hiji poe Purbasari ninggali Lutung Kasarung indit ka tempat nu sepi jang ngalakukeun tapa. Isukna Lutung Kasarung ngajak Purbasari jang indit ka hiji talaga nu seungit. Pas Purbasari mandi di talaga eta, Lutung Kasarung bungah sabab totol-totol nu aya dina awak Purbasari ujug-ujug ngaleungit.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2411", "text": "Cara ngalakukeun, gerakan tari piring sacara umum nyaéta nempatkeun dua piring dina dua dampal leungeun. Penari ngayun-ngayun piring dina gerakan gancang, diselang ku clinking piring atawa dua cingcin dina ramo penari kana piring maranéhna dibawa. Dina ahir tari, biasana piring anu dibawa ku penari dialungkeun ka lantai sareng penari bakal nari dina piring anu rusak. Jumlah penari piring biasana jumlah ganjil anu diwangun ku tilu nepi ka tujuh urang. Penari maké baju warna caang jeung nuansa beureum jeung emas konéng sarta headgear. Tari ieu dipirig ku kombinasi talempong jeung alat musik saluang. Témpo musik mimitina lemes sareng teratur, teras laun-laun janten langkung gancang. Gerak dina tari piring mangrupa salah sahiji unsur anu penting sangkan tari mangrupa wangun anu berkualitas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4635", "text": "Lamun urang jelema anu resep pisan ngajieun kueh pasti geus teu asing jeung barang elektronik anu sapopoe di pake nyieun kueh nyaeta mixer. Mixer nyaeta alat mesin roti atawa pakakas anu dipaké pikeun ngaduk adonan kueh atawa adonan roti. mixer Ieu multiguna pikeun sagala rupa rupa adonan. Mesin mixer ieu tiasa dianggo pikeun nyampur rupa-rupa jinis kueh, roti, tipung, jeung sajabana. Mesin mixer ieu jalan dumasar kana téori rotasi planet, dimana pemukul (shaker) muter sabudeureun mangkok (mangkok) jeung mangkok teu muterkeun, ku kituna pikeun ngahasilkeun adonan datar tur lemes, mangkok (mangkuk) mixer planet bisa dihapus pikeun ngumbah. Kapasitas ngaduk tina mixer planet dibasajankeun 4 liter, 5 liter, 15 liter, 20 liter, 30 liter, 40 liter, 50 liter, jsb. Dilengkepan 3 speed aduk speed, mixer roti planet bisa dipaké pikeun sagalana jenis adonan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2319", "text": "Tahlilan dina harti maca tahlil sacara berjamaah, biasana dilakukeun pikeun ngadoakeun almarhum (almarhum) anu dibacana toyibah jeung ditungtungan ku ngadoakeun almarhum. Teu jarang kulawarga almarhum ogé ngondang tatangga atawa ngayakeun jamaah sanggeus salat berjamaah di mushola ku kituna loba jalma ogé solat. Jaman Nabi teu aya kagiatan tahlilan. Di jaman para sahabat Nabi ogé henteu ngalaksanakeun kagiatan tahlilan ieu. Sabab tahlilan, mangrupa ijtihad ulama Jawa ku cara nyusun kalimah toyibah, sholat berjamaah, ngadoakeun jalma nu geus maot. Ku kituna sabagéan ulama nganggap yén sagala lampah anu henteu dilampahkeun ku nabi téh bid'ah, sarta sabagéan ulama ngajalankeun éta acara minangka kagiatan dumasar kana sababaraha hadits pikeun maca kalimah toyibah, ngado'a pikeun mayit jeung ibadah. Jadi kacindekanana tahlilan teh mangrupa tradisi anu sifatna diprakarsai ku ulama Jawa ku cara ngumpulkeun dasar hadits. Biasana dilakukeun pikeun ngirim doa ka jalma anu tos maot.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2672", "text": "Salian ti butuh alias kok, ogé kudu rakét pikeun bisa maen badminton. Dina raraga maén alus, anjeun pasti kudu nyaho kumaha carana milih rakét badminton nu alus. Alesanana, kualitas rakét badminton anu anjeun pilih bakal mangaruhan kumaha anjeun maén. Pikeun éta, terang kumaha carana milih rakét badminton di handap ieu kumaha carana milih rakét badminton. Sateuacan ngabahas kumaha carana milih rakét badminton, anjeun kedah terang bagian-bagian tina rakét badminton ieu.\r\nRékét badminton diwangun ku tilu bagian utama. Sirah atawa hulu rakét mangrupa bagian anu bentukna lonjong anu di tengahna ngandung tali jalinan pikeun nahan jeung ngagambarkeun kok. Saterusna, aya bagian tina aci atawa gagang rakét anu fungsina salaku sasak antara sirah rakét jeung cekelan. Saterusna pas handap aci, aya cekelan cecekelan ditutupan ku karét atawa lawon hampang, salaku tempat ramo Anjeun nyekel rakét. Kieu kumaha carana milih rakét badminton supados anjeun tiasa maén saé.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "595", "text": "Perlu oge dibere variasi bentuk. Bentukna bisa di modifikasi ku cara nyieun bentuk nu beda. Siga mun sangu goreng lamun katinggalina biasa wae, tuluy nu meuli teu minat. Bisa dicobaan di modifikasi sangu goreng jadi bentuk nu lucu atawa bentuk-bentuk kartun nu pastina dipikaresep ku barudak leutik. Atawa bisa oge di modifikasi ngarah teu babari haseum atawa buruk. Tuluy kudu leuwih diperhatikeun oge kahigienisan produkna, ieu penting oge teu bisa dihare-harekeun. Salian ti kadaharanna ngeunah jeung misal geus dimodifikasi jadi bentuk nu modern kaasup jeung bungkusna nu geus di desain, kudu oge bisa mere kasehatan jang nu ngadaharna, da ayeuna percuma dahareun tapi teu sehat mah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6747", "text": "Di jaman pandemi seeur jalmi anu bosen cicing di imah hoyong liburan ka luar, tapi teu seeur tempat umum anu buka janten milih staycation atawa mondok di hotel kanggo milarian suasana anyar. Hotel dipilih lantaran urang tiasa ngarasakeun liburan tapi tetep aman lantaran teu papanggih jeung seeur jalmi nu sanes. Di hotel urang tiasa ngalakukaeun sababaraha kagiatan sapertos lalajo pilem, maca buku, papasakan jeung ngojay. Upami bade staycation urang tiasa milih hotel anu jarak na caket ti bumi. Kanggo wargi Bandung, Imah Seniman tiasa janten pilihan lantaran nyadiakeun suasana anu seger, seeur tatangkalan hejo. Hotel na oge diwangun di luhureun situ.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "136", "text": "GH Universal Hotel, salah sahiji hotel anu aya di Bandung tapi rasa eropa anu megah pisan. Pas asup lobi urang dibere tisu basah jeung cai nginum. Kamar na luas pisan, aya King Bed, dua sofa, aya TV na oge, jeung kulkas leutik. Aya lomari, jeung kamar mandi na geus aya cai panasna. Pemandangan balkonna langsung ka kolam renang. Dahareunna lengkep pisan jeung enak-enak, pilihan dahareunna ge rupa-rupa, terus tempat daharna ge endah pisan. Ulah poho ka rooftop na meh bisa ningali panon poe terbit jeung panon poe tenggelam. Kolamna biru pisan, cai na cai tiis. Didieu oge aya tempat gym. Jadi lengkep pisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8275", "text": "Janten pagawe kantor teh teu salilana geunahen. Pagawe kantor bakal nyanghareupan rutinitas anu sami sareng diulang unggal dinten. Kacapean sareng bosen hese dipalire, komo pikeun anu parantos lami damel. Linggih dina meja sareng nyanghareupan layar komputer sadidinten pasti ningkatkeun resiko anjeun tina masalah kasehatan. Pagawe kantor meakkeun loba waktu jeung jalma anu sarua pikeun lila. Pagawean tumpukan up, masalah pribadi, jeung konflik jeung ko-pagawe, teu mustahil pikeun maranehanana sapatemon, nu bakal ngakibatkeun ngaronjat setres, jeung kahariwang. Gajih pagawe kantor dianggap ideal tur leuwih luhur lamun dibandingkeun jeung buruh atawa buruh sawah. Nyatana, masih seueur standar gaji anu henteu adil sareng henteu saluyu sareng beban gawe anu dipasihkeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "407", "text": "Tata cara sholat saluyu jeung urutanna. Nu kahiji takbirotul ihrom, nyaeta maca Allahu Akbar pas mimiti solat. Ku takbirotul ihrom artina umat Islam geus bener-bener dina kaayaan keur sholat. Nu kadua maca doa iftitah. Beres ngucapkeun takbir nu kahiji, tuluy tinggal tilepkeun leungeun di dada nyaeta di area nu deukeut kana hate. Nu katilu maca surat Al-Fatihah, maca surat Al-Fatihah ieu hukumna wajib jang tiap rokaat solat. Nu kaopat maca surat pendek, lamun geus beres maca surat Al-Fatihah dituluykeun ku maca surat pendek. Surat pendek ieu dibaca dina dua rokaat mimiti. Maca surat pendek hukumna teh sunat. Nu kalima ruku, beres maca Al-Fatihah jeung surat pendek, dituluykeun kana gerakan ruku.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9030", "text": "Aya sababaraha ciri sareng karakteristik ti wirausaha. Kahiji, salawasna kedah mikir positif. Pikiran positip penting upami anjeun hoyong ngamimitian wirausaha. Utamana nalika anjeun badé nyandak kaputusan dina usaha. Kadua, kudu boga kawani. Wani di dieu hartina boga kawani pikeun nyieun kaputusan sarta nyanghareupan sagala rupa resiko. Résiko bakal salawasna aya dina unggal kaputusan anu anjeun lakukeun. Sajaba ti éta, maranéhna ogé wani tanggal waler kana sagala hal anu lumangsung dina bisnis. Katilu, berorientasi ka hareup. Janten pangusaha hartosna salawasna tiasa mikirkeun kaayaan anu bakal datang. Salaku conto, milarian kasempetan pikeun nyiptakeun bisnis anu langkung suksés di hareup. Jalma anu visioner atanapi berorientasi ka hareup bakal ngajantenkeun kakurangan sareng kasalahan kapungkur salaku diajar, sareng moal émut teuing kakurangan atanapi kagagalan ieu.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1895", "text": "Carita jadi pramusaji \"Wilujeng sumping di réstoran,\" saur Kuring sareng réréncangan babarengan bari seuri ipis. Saparantos ngabagéakeun sémah, Kuring langsung ngantunkeun sémah anu badé tuang ka méja anu teu acan dicicingan ku saha waé. Sanggeus para tamu diuk, Kuring langsung mikeun menu kadaharan ka sémahna. Bari para tamu ningali menu dahareun, Kuring indit bari nganteurkeun dahareun nu geus rengse ka meja tamu lianna. Teu lila si Ujang nyalukan Kuring pikeun mesen dahareun. Hiji-hiji geus mesen kadaharan nu geus dipilih. Aya nu mesen nasi goreng seafood, kerang saos tiram, keuyeup saos Padang, jeung sajabana. Kuring langsung mikeun pesenan tamuna ka dapur tempat Naim jeung Agus masak. Jam demi jam ngaliwat, suasana réstoran beuki ramé.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3049", "text": "wewengkon Thamrin. mangrupa wewengkon pagawe kantor elit. Beuh. Tong naros upami anjeun damel di dieu. Anjeun tiasa nyarios 'Kelas Tinggi'. Harga dahareun geus luhur. Upami anjeun balanja, anjeun kedah nyiapkeun langkung seueur anggaran. Ulinan nalika ka mall biasana aya di Grand Indonesia sareng Plaza Indonesia. Kelas pagawé béda jeung wewengkon Rasuna Said jeung rada ipis ti Sudirman. Jarang aya food court di gedong. Leuwih ti éta, 'mper' geus mimiti leungit ti dieu. Kumaha busana jeung gaya warga kantor Thamrin? ampir sarua jeung warga wewengkon Sudirman. Anjeun bakal mendakan lalaki sareng awéwé ngajalankeun sabudeureun anu rata-rata nyumponan sarat program. Pausahaan di wewengkon Thamrin lolobana pausahaan global jeung multinasional.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7949", "text": "Abdi kaasup jalmi anu kedah carita lamun gaduh masalah, beuki lila abdi janten sadar yen carita mangrupakeun cara kuring ngaleungitkeun setres. Dina nyaritakeun masalah oge kuring biasana sok milih jalma anu cocok kanggo ngadangukeun carita kuring sabab teu sadayana rerencangan kuring tiasa janten tempat carita kuring. Unggal carita pasti ka beda-beda jalmi kumaha cocokna. Contona lamun abdi bade carita ngeunaan kaluarga jeung ngeunaan diri sorangan biasana abdi gaduh tempat carita sorangan-sorangan, teu sadaya rerencangan cocok dijadikeun tempat carita ngeunaan kulawargi. Saatos carita biasana masalah anu abdi boga teh janten leuwih hampang lantaran bebanna geus dikaluarkeun. Abdi oge janten apal naon masalah anu sabenerna kuring rasakeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8865", "text": "Nalika kuring leutik, hiji-hijina hiburan anu kuring gaduh nyaéta ngadangukeun siaran radio. Harita can loba nu boga radio, ngan saeutik jalma jegud nu boga radio di imahna. Upami urang hoyong ngadangukeun radio, urang kedah kumpulkeun jalma-jalma ti kampung anu sami, teras urang tiasa ngadangukeun radio babarengan. Teu loba saluran radio sadia dina waktu éta teh, masih bisa dicacah dina hiji leungeun. Ngan basa kuring kelas tilu SMP, Pak RT meuli tipi. Televisi dina waktos éta masih ngan saukur hideung sareng bodas. Urang ogé kudu lalajo babarengan kawas saméméhna. Sanaos kitu, simkuring bingah pisan, upami tadina ngan ukur ngadenge sora, ayeuna tiasa ningali gambar-gambar, padahal mung aya warna hideung sareng bodas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2747", "text": "Smartphone anu dikaluarkeun ku POCO sok aya di dieu pikeun ngarobih pasar. Utamana masih nargétkeun jalma anu hoyong pagelaran pangsaéna. Tapi dina POCO F4, arahna sigana parantos robih sakedik dina cara anu saé. Ulasan POCO F4 ogé katingalina langkung bergaya. Mimitian ti anu paling murah dugi ka anu paling mahal, smartphone anu dileupaskeun ku POCO sok aya di dieu pikeun ngarobih kana pasar. Utamana masih nargétkeun jalma anu hoyong pagelaran pangsaéna. Tapi dina POCO F4, arahna sigana parantos robih sakedik dina cara anu saé. Janten panerusna POCO F3, spésifikasi dina kertas henteu jauh béda. Tapi perbaikan anu dibawa ku POCO F4 cukup nyieun smartphone Rp 5 juta ieu masih relevan dina 2022. Desain leuwih modern, sistem pandingina nu ditingkatkeun, ditambah téhnologi fast charging leuwih gancang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4544", "text": "Pangaweruh atawa ilmu dasar ngeunaan awak manusa téh kudu bener pisan pikeun unggal jalma (pelaku) anu bakal nanganan atawa nguruskeun pencegahan samemeh rek ngalakukeun latihan olahraga naon wae. manajemén jeung pengobatan cedera dina olahraga. Kalayan pangaweruh dasar bisa dilaksanakeun ukuran preventif atawa pencegahan penanganan sarta pengobatan tatu olahraga gancang, bener, sarta tanggung jawab. Pelaku bakal langkung yakin yén anjeunna bakal langsung nyaho naon anu diperlukeun, diurus, anu perlu prioritas perlakuan, naon henteubisa dipigawé jeung naha perlu kalakuanana jeung kalakuan kitu sahingga, eta diperkirakeun yén pencegahan, pengobatan sarta perawatan cedera, Tuluy latihan bisa di sesuaikeun sakumaha bisa na jeung di pikirkeun kakuatana. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8694", "text": "Tani karasa beda pikeun sarerea. Tapi, pikeun sabagean ageung jalma, tani mawa parasaan tenang, katengtreman, sareng kasugemaan. Nalika hiji jalma melak pepelakan, anjeunna tiasa ngaraos hubungan sareng alam sareng ngarasa langkung nyambung ka lingkunganana. Proses tumuwuh, miara jeung miara tutuwuhan bisa nyadiakeun rarasaan calming sarta mantuan ngurangan setres. Oge, bari ningali tutuwuhan tumuwuh sarta ngamekarkeun, hiji bisa ngarasakeun rasa kapuasan jero tur ngarasa sukses di endeavors hiji nyieun kahirupan. Tani oge tiasa masihan rasa reueus sareng apresiasi nalika pepelakan sukses dipanen sareng dianggo salaku tuangeun. Salian ti eta, tani oge bisa mere rasa sosial jeung hubungan jeung jalma sejen anu miboga hobi anu sarua. Kagiatan ieu oge bisa mantuan ngaronjatkeun kaahlian sosial jeung nguatkeun beungkeut jeung masarakat sabudeureun urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6649", "text": "Saha nu teu resep emih instan. Dahareun anu kirang sehat ieu tetep jadi karesep arurang lantara cara masakna anu gampil jeung rasana anu tos pasti ngeunah, saha aae tiasa ngadamel emih instan. Di Indonesia aya dua merek emih anu paling kasohor jeung paling laku, nyaeta emih Indomie sareng Mie Sedap. Kadua merek ieu gaduh kaunggulan masing-masing. Abdri resep Indomie lantaran emihna teu gampang pegat jeung teu gampang beukah. Tapi abdi oge resep sababaraha Mie Sedap di antarana nyaeta Mie Sedap Korean Spicy lantaran bungbuna anu kentel jeung gurih lada, emihna oge beda jeung Mie Sedap biasa, leuwih kandel jeng teu gampang beukah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8074", "text": "Bulan Oktober kamari aya tragedi sepak bola nu nyebabkeun korban jiwa. Tragedi Kanjuruhan kajadian di Malang tepatna di Stadion Kanjuruhan saatos pertandingan Arema FC lawan Persebaya Surabaya. Kajadian dipicu ku supporter nu turun ka lapang. Aya nu nyebatkeun supporter turun kusabab kuciwa tim na eleh aya oge nu nyebatkeun kusabab supporter hoyong panggih sareng pemain nu tos ngabela timna. Polisi nu aya diarea eta ngarespon ku cara ngabedilkeun gas air mata. Sanes ka supporter nu turun hungkul nanging ka penonton nu lalajo di tribun. Kusabab gas air mata eta penonton panik teras buru-buru kaluar ti stadion. Ngan deudeuh, seueur penonton nu teu tiasa kaluar tur kajebak. Paciwehna jelema sareng gas air mata nyiptakeun cilaka. Total korban dina tragedi ieu nyaeta 134 urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3996", "text": "Keur ngisi liburan emester tahun kamari, urang jeung babaturan ulin ka Jakarta. Kagiatan urang di mulai ti sore samemeh na, urang ka jakarta na rek naek kareta ti stasiun cikampek jadi sorena urang kumpul ngendong bareng di kos an ameh bareng jeung teu kabeurangan soal na urang mangkat na subuh. Isukna urang siap siap ges mandi jeung beberes urang langsung mangkat ka stasiun naek angkot heula tina kosanterus lempang ka stasiun. Ges nepi urang langsung meuli tiket na teu lila kareta datang urang kabeh naek ka kareta na. perjalanan ti stasiun cikampek ka stasiun jakarta kota kurang leuwih 3 jam. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9039", "text": "Hal kahiji anu urang kéngingkeun nalika damel di kantor nyaéta diajar manajemén waktos. Suka atanapi henteu, anjeun pasti bakal diajar ngokolakeun waktos nalika damel di kantor. Asup ka kantor kalawan hadir, ngerjakeun deadline, nepi ka janjian papanggih klien nu pernah telat. Tangtosna, aya sanksi pikeun sadaya telat nalika anjeun damel di kantor. Terus-terusan telat bakal nyababkeun atasan anjeun ngira-ngira kinerja anjeun kirang sae, bahkan bakal ngirangan gaji anjeun. Lajeng, lamun pagawean anjeun rengsena lila, anggota lianna di divisi anjeun ogé bisa ngahalangan pagawean maranéhanana alatan maranéhna kudu ngadagoan anjeun. Oge urang ulah telat pendak sareng klien urang, salain bakal ambek, éta ogé bakal mangaruhan hubunganana sareng perusahaan anjeun engke kahareupna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1556", "text": "Hirup tatanggan teh kudu dijaga, komo deui urang anu imahna teh di kampung. Biasana di kampung rakeut pisan tatangganana teh. Mun aya nu keur masak, biasana tatangga ge sok dibere jang ngaraosan hasil pasakan eta. Atuh mun tatangga katinggali keur menerkeun barang, urang oge bisa mantuan komo mun keur senggang waktuna. Nu penting mah silih bantuan, jeung mibogaan jiwa sosial anu tinggi. Mun keur gering oge biasana sok aya tatangga anu datang ngalongok bari mawa buah-buahan, sakapeung mah maranehna sok nyusul ka rumah sakit jang ngalongok, sanajan rumah sakit eta jauh ti kampung. Tapi ku sabab geus ngarasa bagian ti kulawarga, jadi sok maksakeun indit ngalongok sanajan jauh oge.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4654", "text": "Keur jelema anu boga kapribadian introvert aya loba peluang pagawean jeung pelajaran anu bisa di mangfaatkeun, soalna ku ayana internet urang bisa belajar nanaon sorangan teu kudu loba kapanggih jeung loba batur asal urang na tekun pasti urang bisa jadi bia nyasuaikeun jeung kanyamanan urang, sarua oge dina dunya profesional pagawean jaman ayeuna mah urang bisa di gawe dimana wae jeung iraha wae, urang boga leuwih loba kasempatan pagawean loba bidang pagawean anyar anu di buka jeung ngamungkinkeun urang bisa di gawe jarak jauh misalkeun urang nu di indonesia tapi digawena di amerika, urang teu kudu pindah ka amerika urang bisa cicing di imah modalna ngan laptop jeung internet.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "555", "text": "Ngajual oleh-oleh khas daerah ayeuna mah bisa ngaliwatan online nyaeta ku cara ngajualkeunna di aplikasi e-commerce tibatan ngajual manual mah. Sabab mun ngajual manual urang kudu nungguan nu meuli, komo deui lamun produk nu dijual teh oleh-oleh khas daerah. Tangtuna kudu nungguan nu meuli nu keur liburan, bari jeung henteu tiap waktu aya pengunjung ti luar kota teh. Jarang oge mun nu meuli ti daerah nu sarua da pastina oge geus bosen. Ari dijual online mah jangkauan nu meulina leuwih lega, bisa ti daerah mana wae ngan aya hiji syarat nyaeta calon nu meulina kudu boga internet jang ngaksesna. Tapi di jaman ayeuna mah geus loba nu ngarti kana internet.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "471", "text": "Sedekah jadi ajaran agama nu ku urang paling inget oge. Nepikeun ka pas kuliahan urang jeung babaturan nyieun komunitas gerakan sedekah jariyah. Komunitas ieu difokuskeun jang wadah keur para donatur nu rek sedekah, sedekah nu geus ditarima sok disalurkeun ka lembaga-lembaga panti asuhan nu ngabutuhkeun. Lembaga nu mindeng dianjangan jeung disantuni teh nyaeta panti asuhan nu di Cibiru jeung nu di Cicadas. Urang jeung babaturan rutin kadieu paling henteu teh sabulan sakali. Jadi rek sabaraha atawa barang naon wae nu kakumpul, ku arurang disedekahkeun langsung. Tapi lolobana sedekah make duit, jadi bisa ku arurang belikeun kanu barang sembako atawa duit nu geus diamplopan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "83", "text": "Paprika mere warna nu beda kana tiap dahareun. Teu ngan ukur rasana hungkul nu beda, tampilan masakan oge bisa katingali pas ngagunakeun paprika beureum, koneng, jeung hejo. Perbedaan nu palin dasar tina warna paprika nyaeta tingkat kaasakanna. Warna hejo paprika nungjukkeun yen paprika acan asak pas dipanen. Warna ieu mangrupakeun warna kahiji nu muncul pas paprika keur buahan. Pas mulai asak, paprika bakal robah jadi koneng. Lamun diantepkeun sababaraha waktu deui, warna koneng bakal robah jadi warna koneng gedang. Pas enggeus bener-bener asak, warna paprika bakal robah jadi beureum. Lamun dina segi rasa paprika hejo rasana paling pait. Paprika koneng boga rasa nu amis sabab tingkat kaasakanna cukup. Saenggeus asak, paprika bakal karasa amis pisan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9342", "text": "Kalakuan nu resep ngabandingkeun hiji sobat jeung nu sejen, kacida gorengna pikeun hubungan jeung babaturan urang kahareup, sabab bakal ngakibatkeun pikiran ti babaturan urang nu nyebutkeun yen hirupna teu bisa nyieun batur seneng. Ieu bisa memicu babaturan pikeun ngajauhan urang salilana, manéhna bakal néangan babaturan séjén anu bener bisa narima ayana. Ku kituna, urang kudu narima naon wae kaunggulan jeung kalemahan babaturan urang. Tong ngajadikeun kakurangan babaturan urang salaku alat pikeun ngabanding-banding atawa ngarendahkeunana, moal aya jalma anu teu hayang dihargaan. Kitu oge jeung urang anu teu resep disbanding-bandingkeun. Barina ogé, taya sahijieun sabenerna sampurna, aya salawasna kakurangan dibalik eta sadayana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9462", "text": "Hotel mangrupikeun tempat anu nyayogikeun akomodasi samentawis pikeun semah anu meuting di hiji tempat. Hotel biasana nyayogikeun kamar anu dilengkepan ku fasilitas dasar sapertos ranjang, kamar mandi, sareng televisi, oge fasilitas tambahan sapertos restoran, kolam renang, sareng pusat kabugaran. Hotel tiasa dipendakan di ampir unggal kota gede di sakumna dunya sareng ngagaduhan tingkat kanyamanan anu beda-beda. Dimimitian ti hotel bintang hiji dugi ka hotel bintang lima. Hotel bentang hiji biasana sederhana jeung hargana mirah, sedengkeun hotel bintang lima leuwih mewah jeung hargana leuwih mahal. Sanajan kitu, hotel di bintang sabaraha wae, hotel pasti nyadiakeun ranjang nyaman jeung fasilitas-fasilitas anu diperlukeun ku semahna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "180", "text": "Pas kuliah, urang mindeng pisan nonton film nu aya dina web-web ilegal meh haratis. Can pernah nonton di bioskop nu aya di mall. Karek mimiti nonton teh pas taun 2018 bulan Februari, harita nonton Black Panther. Urang nonton duaan jeung babaturan di TSM (Trans Studio Mall). Sabenerna nonton di bioskop teh lain embung, tapi teu ngarti kumaha cara pesen tiketna. Kabeneran ieu mah diajak ku babaturan. Urang janjian langsung di TSM, tuluy panggih jeung babaturan di lobi. 15 menit film rek tayang, panto bioskop geus dibuka. Samemeh asup urang ka toilet heula ngompol, da cenah mah ngarah pas keur nonton khusyu teu hayang ngompol.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4247", "text": "Sasando nyaeta alat musik tradisional asli indonesia Sasando ngabogaan sora anu endah merdu anu bisa ngagambarkeun rupa-rupa nuansa jeung émosi. Ku alatan éta, di wewengkon asal, sasando dipaké minangka musik pikeun ngébréhkeun kasedih jeung kabagjaan. Generasi bangsa kudu paham kana Sasando dina kahirupan masarakat. Dina prak-prakanana, alat musik Sasando miboga ajén moral, ajén kaagamaan, ajén atikan, ajén tradisional, jeung ajén spiritual atawa harepan. Éta sababna masarakat NTT, ogé bangsa Indonésia, terus ngalestarikeun ieu musik tradisional sasando ieu nu geus lila ti jaman baheula. Sababaraha waktu ka tukang diklaim yén alat musik ieu milik nagara Sri Lanka untung na teu bisa da sasando alat musik tradisional indonesia. Matakna uarang salaku pamuda kudu ngamumule alat musik tradisional sasando ieu ameh teu di klaim ku negara sejen.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2016", "text": "Beheula ker nonton film horor aya kajadian nu nyieun kesel, dimulai ku carita meli makanan, jadi sapanjang film kuring méakkeun french fries, hotdog, sosis, jeung popcorn, nu urang meuli sabenerna saméméh asup ka bioskop. Sareng ieu henteu saé, unggal waktos pamajikan kuring kaget kusabab adegan sétan, gerakan spontan anu aneh. kahiji waktos anjeunna reuwas bener nalika kuring keur dahar popcorn. Leungeun pamajikan teu kahaja nabrak wadah popcorn, eusina tumpah kamana-mana. Misi méakkeun popcorn tungtungna gagal. Kadua kalina pamajikan kuring reuwas kabeneran keur ngadahar hotdog, spontan nangkeup kuring nu balukarna hotdog teh digogog-gogog kana beungeut kuring, malah sambel cabe nepi kana panon kuring... nyeri tambah panas. éta teu kaampeuh. Sareng anu katilu, nalika kuring nginum, pamajikan kuring ujug-ujug nangkeup deui sabab anjeunna reuwas nalika kuring nginum cangkir kertas. Naha anjeun tiasa ngabayangkeun kumaha goréng inuman lemes dina irung anjeun?", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7183", "text": "Salah sahiji tarian tradisional anu aya Indonesia nyaeta Tari Jaipong. Tari ieu mangrupakeun jenis tari anu asalna ti Jawa Barat. Mimitina, tari jaipong ieu tumuwuh di daerah Bandung jeung Karawang. Tari Jaipong ieu mangrupakeun tari gabungan tina sababaraha kasenian tradisional Sunda, sapertos pencak silat, ketuk tilu, jeung wayang golek. Ti dinya, tarian ieu kasohor minangka tarian anu miboga gerakan-gerakan anu unik, energetik jeung sederhana. Henteu ngan ukur pinuh energi, tari jaipong oge dimaenkeun dina suasana anu humoris sareng riang. Ku kituna, tari ieu bisa ngahibur panongton anu nyaksian. Malah teu aneh lamun para hadirin seuri ningali pintonan tari jaipong ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2305", "text": "Sholat mangrupikeun salah sahiji alat anu paling penting dina hubungan manusa sareng Allah SWT. Sholat ogé mangrupa sarana komunikasi jiwa manusa jeung Alloh SWT. Sholat ogé ngagaduhan posisi anu penting sareng dasar dina Islam, anu henteu tiasa dibandingkeun sareng ibadah anu sanés. Sholat mangrupikeun ukuran amal, anu hartosna kualitas amal hiji jalma ditangtukeun ku solatna. Hal ieu sakumaha anu kaunggel dina hadits Nabi anu diriwayatkeun ku Abu Dawud sareng Tirdzi, “Hal anu pangheulana bakal dihisab engke dina poe kiamat nyaeta shalat. Lamun sholatna alus, maka amal-amal sejen oge bakal hade. Jeung lamun solat ruksak, maka amal séjén ogé bakal ruksak. Sholat mangrupikeun tihang agama. Hal ieu kaunggel dina hadits Rosululloh anu diriwayatkeun ku Baihaqi “Sholat teh tihang agama (Islam), jadi sing saha anu ngawangunna, satemenna manehna geus ngadegkeun agama; jeung sing saha anu ninggalkeun eta, maka satemenna manehna geus ngaruksak agama\".", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7963", "text": "Di sababaraha desa, masih keneh aya jalmi anu nganggo walungan kanggo mandi, nyeseuh acuk, jeung ngumbah wadah. Lolobana cai walungan anu aya di di desan mah masih keneh jerenih jeung beresih lantaran teu seeur kacemar ku lingkungan, teu sapertos walungan di kota anu geus kacemar ku limbah pabrik jeung runtah anu seeur pisan dipiceun di walungan. Salian ti cai anu asalna ti mata cai, di desa oge biasana masih keneh seeur anu nganggo suluh kanggo masak. Suluh ieu dijieun tina kai anu dijadikeun bara seneu teras ditiup nganggo awi lamun seneu na hayang digedean. Pokona di desa mah lolobana masih keneh nganggo sumber daya alam. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1596", "text": "Salah sahiji hobi urang teh nyaeta masak, euweuh salahna mun ngaleungitkeun stres ku cara masak. Komo migawe naon anu jadi hobi urang, tangtuna bakal leuwih gancang leungitna. Urang sok resep masak make resep-resep anyar boh eta tina buku masak atawa ninggali tutorialna di Youtube. Salian stressna jadi leungit, skill masak urang oge jadi nambahan. Ayeuna mah teu ngan saukur bisa ngagoreng endog atawa ngarebus mie hungkul. Loba resep-resep nu geus bisa dikreasikeun, urang bisa kawas kieu teh lantaran loba stres. Jadi pikiran anu stres ku urang dialihkeun kana masak, komo mun masakna teh karasa ngeunah, malah bisa beuki nambahan mood.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "462", "text": "Jang ngarti kana jero eusi Alquran, leuwih jelasna kudu apal kandungan alquran. Dina jero alquran diajarkeun akidah, akidah teh nyaeta kayakinan. Jadi kapercayaan nu kudu diyakinan ku hate, jeung diucapkeun ku lambey, oge dibuktikeun ku amal perbuatan. Alquran oge ngajarkeun ibadah jeung muamalah, jelema diparentahkeun ku Allah jang nyembah ka Allah SWT ku cara tunduk, taat, jeung patuh. Salian ti ibadah, Alquran oge ngatur hubungan tiap jelema dina Alquran nu disebut muamalah. Hukum dina Alquran eusina kaidah-kaidah jeung katangtuan dasar jang umat manusia. Hukum ieu bakal ngajadikeun hirup jelema jadi leuwih tengtrem, adil, jeung sejahtera. Hukum nu kacantum dina Alquran nyaeta hukum kawin, hukum waris, hukum pidana, jeung nu sejenna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5410", "text": "Opat klasifikasi pura di Pulau Dewata, Bali berdasarkeun karakteristikna. Nu kahiji nyaeta pura umu. Pura umum nyaeta pura kangge saluruh umat Hindu nu fungsina sebagai tempat pamujaan jang muja kabesaran jasa saorang pendeta guru suci. Nu kadua nyaeta pura teritorial. Pura teritorial nyaeta tempat pamujaan anggota masyarakat sahiji banjar atawa desa nu diikat keneh ku kasatuan wilayah desa atawa banjar eta. Nu katilu nyaeta pura fungsional. Pura fungsional nyaeta umatna terikat ku ikatan kekayaan sabab gaduh profesi nu sami dina sistem mata pencaharian hidup. Nu kapat nyaeta pura kawitan. Pura kawitan gaduh karakter nu ditangtukeun ku ayana ikatan wit atawa leluhur tina garis katurunan atawa kakaluargaan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8051", "text": "Upami maen basket urang teh kudu gaduh nu ngarana ring basket. Ring basket aya rupa-rupina, sapertos ring basket tempel atanapi cor. Ring basket cor tiasa dianggo pikeun di lapangan. Cara masang ring basket cor nyaeta, mimiti urang nyieun huela rangka ceker hayam. Rangka ceker hayam diperyogikeun kusabab ngarah ringna kokoh teu gampil rugrug. Saatos kitu tinggal dicor wae eta rangka make semen, nanging emut tiang ringna ulah langsung dicor. Upami tos garing, urang pasang tiang ringna make sistem anchor, sistem nu nyambungkeun tiang ring sareng coran make baut nu ditanem. Sistem anchor ieu ngagaduhan kaunggulan kusabab upami ringna bade dipindahkeun teu kedah ngabongkar coran ceker hayamna. Upami tos kapasang tiang ringna, tinggal pasang papan pemantul sareung hoopna ka tiang ringna. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9464", "text": "Tinggal di villa jeung suasana gunung pisan pikaresepeun sabab nyadiakeun pangalaman beda jeung nenagkeun pikiran dibandingkeun cicing di hotel biasa. Sabana nyaeta, villa gunung biasana lokasina di lokasi endah tur tiis, pamandangan jeung sausanana matak urang ngarasa tiis ceuli herang panon. Salian ti eta, villa gunung biasana dilengkepan ku fasilitas anu lengkep saperti kolam renang, kebon jeung kamar anu lega, sangkan bisa mere kanyamanan jeung kabebasan pikeun semah anu nginep di dinya. Di villa gunung oge tiasa janten pilihan anu pikaresepeun pikeun kulawarga atanapi babaturan anu hoyong liburan babarengan. Vila gunung biasana ngagaduhan kapasitas anu langkung ageung dibandingkeun hotel biasa, janten tiasa nampung langkung seueur jalma. Sajaba ti eta, fasilitas anu aya di villa gunung biasana bisa nyiptakeun interaksi antara anggota kulawarga atawa babaturan anu cicing di dinya.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2351", "text": "Salaku masarakat anu deukeut jeung alam, aspék paripolah masarakat Baduy salawasna usaha pikeun henteu bertentangan jeung alam ciptaan Nu Maha Kawasa. Salah sahiji buktina nyaéta imah adat Sulah Nyanda. hayu urang tingali naon unik\r\n1. Sakumaha dipikanyaho, imah adat urang Baduy diwangun kalayan merhatikeun sisi ramah lingkungan. Aranjeunna ngawangun gedong ngan ukur nganggo kai sareng anyaman awi, nyaluyukeun kana kontur lahan tanpa ngarobih.\r\n2. Kaunikan séjénna dina imah adat Baduy nyaéta dina unggal sisi imah teu aya jandéla. Dumasar aturan adat, jandéla ngan bisa dijieun dina lanté imah nyanghareup langsung ka taneuh.\r\n3. Saterusna posisi imah ngan beunang nyanghareup ka kalér jeung kidul. Éta sabab wétan sareng kulon mangrupikeun sumber cahaya panonpoe anu hak unggal warga di dinya", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4098", "text": "Prof. Dr. H. Abdul Malik Karim Amrullah atawa Buya Hamka ngabogaan carita hirup nu teu endah, meski lahir ti kulawarga nu cukup terhormat bapana boga ngaran gede tapi teu bisa ngajieun hirupna bagja. Seenggeus kolot na cerai hirupna nu tadina ngeunaheun jadi teu pararuguh. Buya Hamka leutik leuwih milih jalan jalan ngabeakeun waktu sorangan jeung sering bolos sakola. Tapi ti dinya muncul sifat mandiri jeung pejuangna, Buya hamka di umurna nu ka 15 tahun niat ngarantau ka jawa tapi gagal ku sabab gering di jalan tapi teu nyerah saeenggeus cageur buya hamka tetep neruskeun niatna. Di jawa buya hamka di ajar tafsir quran jeung merhatikeun perkembangan islam nepika tungtungna bertekad rek jadi pendakwah. Dina carita eta bisa di jadikeun inspirasi urang jadi jelema teu menang gampang nyerah jeung kudu mandiri lamun hayang sukses. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8700", "text": "Rarasaan naek angkot bisa rupa-rupa gumantung kana sababaraha faktor, saperti jenis angkutan umum anu digunakeun, kaayaan kandaraan, jeung kaayaan di sabudeureunana. Lamun kandaraan teuing rame, eta bisa jadi teu nyaman teuing sabab kudu dedesekan jeung panumpang sejen. Nanging, upami henteu rame teuing, nyandak angkutan umum tiasa masihan kasempetan pikeun ningali tempat-tempat wisata di sabudeureun anjeun nalika istirahat tina perjalanan anjeun. Nyokot angkutan umum nyadiakeun kasempetan pikeun berinteraksi sareng jalma ti sagala rupa latar belakang. Ieu tiasa janten pangalaman anu pikaresepeun sareng mangpaat pikeun ngalegaan pangaweruh sareng pangalaman sosial anjeun. Nyandak angkutan umum sering langkung mirah tibatan nganggo angkutan pribadi. Ieu tiasa janten kauntungan pikeun anu hoyong ngahemat biaya transportasi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8070", "text": "Panjat tebing mangrupikeun olahraga anu ngalibatkeun naek gawir nganggo panangan sareng suku anjeun pikeun ngahontal puncak atanapi titik dina gawir. Olahraga ieu ngabutuhkeun kakuatan fisik, kaahlian teknis sareng daya tahan mental pikeun sukses ngahontal tujuan anu ditetepkeun. Panjat tebing biasana dilakukeun di luar atanapi di gim khusus anu nyayogikeun tembok panjat buatan kalayan sagala rupa tingkat kasulitan. Panjat tebing tiasa dilakukeun nyalira (tanpa panyalindungan), top-rope (kalayan panyalindungan di luhur), atanapi lead-climbing (kalayan perlindungan di handap). Olahraga ieu tiasa pikaresepeun sareng nangtang, sareng ngabantosan ningkatkeun kakuatan fisik, kasaimbangan, koordinasi, sareng daya tahan mental. Parabot anu dianggo kalebet tali, helm, sapatu khusus, carabiner, sareng alat kaamanan anu sanes.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "536", "text": "Aya sababaraha cara jang nulis carita rakyat. Nu kahiji tangtukeun daerah sumber carita rakyat. Tiap daerah pastina mibogaan ciri khas sewang-sewangan. Salian eta, sabab teu kabeh daerah urang kenal adat istiadatna. Nu kadua pilih salah sahiji carita anu unik. Milih carita teu babari sabab sanajan hiji daerah bisa jadi aya carita nu sarua jeung daerah sejenna. Cara milihna kudu milih nu paling unik nu aya di daerah eta. Nu katilu jieun sacara detail nu ngagambarkeun tokoh, setting, jeung alur. Ieu penting sabab ngameh logika carita teu paburencay. Nu kaopat jieun sinopsis lengkep. Sinopsis dijieun ku alur maju sabab bakal nyieun carita leuwih gancang beres lamun ditulis. Alur mundur engkena bakal disisipkeun saenggeus beres naskah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2330", "text": "Kuring sakali solat di garéja. Hiji mangsa kuring ngumbara ka Fremantle, wewengkon wisata nu kawentar di luar kota Perth. Urang nyéwa imah sababaraha poé. Dinten Jumaah, kuring milarian inpormasi ngeunaan dimana angkat dina Jumaah tapi kolega Muslim lokal diarahkeun ka Garéja Anglikan St Paul di Fremantle. Anjog ka masjid (eh, gareja keur ding) kasampak, teu aya tanda-tanda. Hayang nanya éra. Maenya ka garéja nanya \"dimana solat?\" Teras anjeun tiasa ngadangu adzan samar-samar… Yep, Jumaah memang dilaksanakeun di tempat sapertos aula gereja anu dianggo ku komunitas Muslim pikeun dinten Jumaah sareng acara-acara sanés. Unggal Jumaah ieu wewengkon dikosongkeun, nempatkeun sajadah, mimbar, kaligrafi jeung korsi (pikeun kolot). Di dieu ogé rame ku rupa-rupa jalma ti sadaya nagara atanapi latar tukang damel di Fremantle sareng sakurilingna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2357", "text": "Lagu daerah atawa musik daerah atawa lagu daerah, nya eta lagu-lagu atawa musik anu asalna ti wewengkon anu tangtu sarta populer dinyanyikeun boh ku masarakat eta boh masarakat lianna. Sacara umum, pangripta/pangarang ieu tembang-tembang daerah geus teu dipikawanoh deui, tembang-tembang daerah sarimbag jeung lagu-lagu kabangsaan, tapi statusna ngan sifatna daerah sarta ditulis minangka tembang ti hiji daerah. Lagu-lagu daerah biasana mibanda lirik numutkeun basa daerahna masing-masing, saperti Tondok Kadadingku ti Sulawesi Selatan jeung Rasa Sayange ti Maluku. Lagu-lagu daerah atawa musik daerah ieu biasana muncul sarta dinyanyikeun atawa dimaénkeun dina tradisi-tradisi nu tangtu di unggal daérah, upamana nalika ngalempréh budak saré, kaulinan barudak, hiburan rahayat, pésta rahayat, perjoangan rahayat, jeung sajabana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3836", "text": "Di purwakarta sok aya wisata kuliner unggal poe sabtu malam minggu, mun ceuk orang purwakarta mah di sebutna teh wiskul. Sapanjang jalan loba kuliner ngajalajar aya lumpia basah, papeda, pentol, seblak, nasi goreng, martabak, sosis bakar, mie ayam, baso, angkringan, es krim goreng pokona mah dahareun doang, mun minuman na paling es teh poci. Tempatna teh di sakitaran situ buleud, biasana buka ti jam 5 burit nepika jam 10 peuting. Kuliner menarik di wiskul teh nyaeta es krim goreng, urang jeung babaturan panasaran pisan ku es krim goreng, terus urang jeung babaturan meuli hiji sewang. Behna eta teh roti nu di jerona aya es krim trus digoreng, hargana teh geneup rebuan. Tapi mun ceuk urang mah rasana biasa wae, jiga ngadahar es krim make roti. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3604", "text": "Kahariwang sareng setrés tiasa timbul nalika damel. Aya rupa-rupa faktor anu bisa ngabalukarkeun éta, ti mimiti pagawéan anu beurat teuing, lingkungan anu teu kondusif, nepi ka gaji anu dianggap handap teuing. Dumasar kana hasil survéy Gallup, 37% réspondén di Asia Tenggara ngarasa hariwang di pagawéan. Aya ogé 31% réspondén di daérah anu ngarasa setrés di tempat damel. Sacara jentre, Kamboja mangrupa nagara di Asia Tenggara anu tingkat kahariwangna pangluhurna di tempat gawé dina taun 2022. Saloba 50% réspondén di éta nagara ngarasa hariwang di pagawéan. Posisi kadua ditempatan ku Indonésia kalawan 46% réspondén anu ngarasa hariwang di tempat gawé. Teras, saloba 44% réspondén di Thailand ngarasa hariwang nalika nuju damel. Samentara éta, Filipina mangrupikeun nagara di Asia Tenggara anu ngagaduhan tingkat setrés anu paling luhur dina padamelan. Satengah atanapi 50% réspondén nyarios yén aranjeunna stres di tempat damel. Thailand aya di tempat kadua kalayan 41% réspondén ngarasa setrés di tempat damel. Teras, aya 38% réspondén di Kamboja anu nyatakeun setrés di tempat damel.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4552", "text": "Olahraga asalna tina kecap olah rogo tina bahasa jawa, olah harina ngalatih diri jadi jelema anu terampil jeung rogo anu artina raga jadi lamun di gabungkeun olahraga nyaeta latihan atawa ngalatih diri secara raga jeung jiwa amwwhjadi jelema anu terampil. Olahraga mangrupa kagiatan kompetisi anu ngalibatkeun kamampuh fisik jeung méntal, di mana kaulinan kudu aya aturan na. Sangkan dina pasanggiri olah raga aya nu meunang jeung nu éléh. Olahraga anu ngalibetkeun kamampuh fisik salaku pangontrol utama dina mangaruhan hasil kaulinan ngawengku maén bal, baskét, badminton, jeung sajabana. Bari olahraga nu teu ngalibetkeun teuing abilities fisik, kaasup kaulinan kartu na catur.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1164", "text": "Warmindo jadi salah sahiji opsi ide jualan di imah, salian ti modalna anu teu gede oge peminatna nu loba. Tiap warmindo pasti weh loba nu nongkrong, komo deui warmindo mah mukana sok nepikeun ka peuting. Warmindo teh nyaeta singkatan tina Warung Mie Indomie. Sanajan ngaranna Mie Indomie, tapi nu dijualkeunna mah biasana lain Indomie hungkul, aya rupa-rupa, samodel bubur kacang hejo, kopi, gorengan, jeung sajabana. Lantaran peuting mah cuacana sok tiris, jadi loba jelema nu datang ka Warmindo jang ngahaneutan awak. Lantaran produk-produk nu dijualna teh nu ngahaneutkeun awak hungkul. Tuluy sadiaan oge TV ngameh bisa dipake jang nongton, komo mun aya acara bola, biasana beuki rame pisan nu ka Warmindo.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5099", "text": "Nonton film jadi kagiatan rutin bagi sababaraha golongan jalmi. Utamana para pecinta film atawa pecinta genre tertentu misalna film serial genre fiksi science. Tah, komo mun aya film serial mah, sok nepi ka diarep-arep ku pecinta na teh. Sakapeung mah sok aya nu nepi ka rela nabung ngan jang nonton film hungkul. Jigana nonton film teh jadi sarana healing bagi sabagian jalma. Kitu deui jalmi nu hoream atawa teu seneng jalan-jalan ka wisata, mending keneh nonton film, janten aya kapuasan tersendiri. Jadi, wajar wae pami sok aya jalmi nu ngahajakeun rutin nonton film, sabab meureun eta wahana healing manehna teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7423", "text": "Basa kuring SD hape anu mimiti pisan abdi anggo nyaeta hape kaluaran esia nyaeta Esia Hidayah anu warnana hejo jeung bodas. Abdi meser eta hape nganggo artos sorangan anu dikumpulkeun ti artos THR lebaran. Abdi meser ieu hape di konter dekeut imah nini anu pangosna basa eta 299,000 rupiah. Abdi make hape ieu lantaran basa eta mah lamun SMS ka sasama Esia leuwih mirah. Pas tos meser eta hape abdi resep pisan ngahias hape nganggo stiker-stiker. Sanajan teu aya kamerana siga hape anu sanes, abdi atoh lantaran eta mangrupakeun hp kahiji kuring anu tiasa abdi peser make duit kuring sorangan. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5880", "text": "Blender jadi salah sahiji alat elektronik nu sering digunakeun di kahirupan sapopoe. Blnder teh bisa dipake ngajieun jus bungbuahan atawa bisa oge dipake ngahaluskeun bumbu masakan. Cara make blender teh gampil pisan. Mimiti, colokeun kabelna kana stopkontak. Tuluy pasangkeun wadah blender kana mesin blender, paskeun posisina ulah nepi ka logor. Mun geus pas, tinggal pencet tombol angka nu nunjukeun kakuatan proses blender, tong hilap tutupan. Sasuaikeun jeung kabutuhan, tuluy timerna oge sasuaikeun. Mun geus kira-kira halus nu diblenderna, pencet deui ka tombol 0 supaya pareum prosesna. Geus kitu mah tinggal tuangkeun kana wadah nu sejen. Tong hilap cabut deui kabel blenderna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2343", "text": "Upacara ngaben butuh artos anu ageung, Rata-rata waragadna 15-20 juta, komo deui, utamana pikeun anu jadi pamingpin agama. Jumlah duit diperlukeun ngajadikeun sababaraha kulawarga milih pikeun ngalaksanakeun kremasi massal. Ngaben masal nyaéta ngaben anu dilaksanakeun babarengan dina jangka waktu anu tangtu, contona unggal lima taun, di hiji désa. Biasana nalika upacara ngaben, jalan-jalan di sabudeureunana bakal ditutup samentawis, dugi ka arak-arakan réngsé. Warga satempat anu naek motor bakal eureun sakedapan pikeun ngaliwat ieu konvoi. Ieu mangrupikeun wujud kasabaran anu sifatna alami sabab spontan. Anjog ka makam, baris dilaksanakeun runtuyan upacara, ti mimiti ngadoa nepi ka ngaduruk. Ngaduruk ieu mangrupa simbol mulangkeun unsur kahirupan manusa. Contona, manusa asalna tina taneuh bakal balik deui ka taneuh, hawa balik deui ka hawa, jeung saterusna", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4729", "text": "Pagawean kantor teh aya loba jinis jinis na, jinis eta kumantung kana tugas jeung posisi jelema na. Jinis jinis pagawean kantor teh nyaeta pagawe bagean administrasi anu nuags pokona nyaeta nyatet data data dina bagean catetan ieu umumna dilaksanakeun saperti nulis surat, ngarekam rupa-rupa kagiatan anu dilaksanakeun ku pausahaan, jeung nyieun catetan, saenggeus di catet data eta teh di olah. Ngolah data oge jadi bagean tina tanggung jawan pagawe admnistrasi ngolah data ieu mangrupa tugas kantor anu ngawengku rupa-rupa kagiatan ngerjakeun informasi anu geus aya, kalawan maksud pikeun nepikeunana dina wangun anu leuwih mangpaat.Tungtung na pagawe bagian administrasi nyata ngajieun laporan laporan, laporan laporan ieu di jieun paranti nngali kumaha parusahaan ieu lumangsung jeung bisa oge di jieun paranti partimbangan anu bakal di cokot keur kamajuan parusahaan na.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5044", "text": "Basa aya kaperluan di Cirebon, abdi teu bisa mereskeun urusan sapoe sasuai target, jadi daek teu daek abdi kedah ngendong heula Sabab di Cirebon teu aya nu dikenal, jadi kapaksa nyewa kamar hotel. Abdi nyewa kamar di hotel Apita Express, mesen anu single bed. Untung we abdi mawa salin ti imah, da siap-siap bisi aya hal-hal nu dadakan jiga kieu. Abdi nyewa kamar hotel na sorangan wae. Barang meunang kamar, abdi langsung mandi tuluy istirahat teu bijil deui ti kamar. Kamarna lumayan lega jeung deuih aya AC an. Isukan nana abdi langsung checkout isuk keneh meh bisa mereskeun pagawean nu katunda kamarina.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4226", "text": "Sumpit nyaeta pakakas tradisional nu dipake ku suku Dayak di Kalimantan Timur, senjata sumpit pikeun moro sato di leuweung samemeh mikawanoh senjata modern. Sato ieu kaasup kijang, babi hutan, manuk sareng sato jeung pikeun dikonsumsi. Sumpit dijieun tina kai teuas. Wangunna buleud panjangna nepi ka 2 méter, diameter batang 2 cm jeung diameter liang 1 cm. Pikeun nyieunna merlukeun presisi supados akurasina alus. Pelor sumpit (disebut damak) dijieun tina awi atawa sajenis tangkal korma (nibung). Batang awi ngawujud jadi bilah leutik anu ujungna lancip sarta seukeut. Samemeh dipake pikeun moro, sumpit diolesan ku nipoh tangkal beracun, sangkan sasatoan buruan anu kapangaruhan ku karuksakan bakal maot sababaraha waktu engke. Kiwari pakarang sumpit masih digunakeun di sababaraha tempat di Kalimantan Barat, hususna di Ketapang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "406", "text": "Cara ngameh sholat khusyu, nu kahiji nyiapkeun diri saacan sholat. Persiapan eta bisa dilakukeun jang nyempurnakeun wudhu, make pakean nu aeresih, jeung segera ka masigit. Sabari nungguan sholat bisa dzikir jeung maca Alquran. Ulah migawean sholat ku cara buru-buru. Nu kadua boga sikep nu tenang dina kaayaan sholat atawa disebut ku tumaninah. Leuwih jelasna nyaeta ku nyempurnakeun deui posisi anggahota awak dina tiap gerakah sholat. Nu katilu sholat sabari nginget maot, cara ieu dianggap cukup ampuh ngameh sholat jadi leuwih khusyu. Nu kaopat ngarti bacaan dina sholat. Sabab bisa ngarti tiap makna nu aya di jerona. Nu terakhir bisa sholat di awal waktu, sabab waktu sholat masih panjang jadi hate bakal ngarasa tenang dina ngagaweanna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8800", "text": "Yoga mangrupikeun olahraga ringan anu gampang dilakukeun di bumi, sanaos dina kagiatan ieu arurang bakal jarang luncat atanapi lumpat, ngan kauntungan anu ditampi ku arurang sajajar sareng olahraga pada umumna. Yoga mangrupikeun jinis latihan anu tujuanana pikeun ningkatkeun kaséhatan sareng karaharjaan awak, ku ngalibetkeun kagiatan fisik, latihan engapan, téknik rélaxasi sareng prakték semedi. Kalolobaan jalma mikir yén gerakan yoga ngan diuk sila jeung nutup panon maranéhanana, tapi dina kanyataanana gerakanna teh henteu ngan éta hungkul. Dina olahraga ieu, gerakanna leuwih condong kana kontrol napas, konsentrasi pikiran, jeung kontrol diri. Masing-masing jenis boga gerakan sorangan anu tangtu kudu diluyukeun jeung kamampuh urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9440", "text": "Cumi-cumi mangrupikeun jinis moluska anu kalebet kulawarga sepia. Moluska ieu biasana hirup di laut sarta ngabogaan awak panjang, fleksibel jeung sirah anu misah ti awak. Cumi-cumi miboga sababaraha mangpaat pikeun awak, diantarana cumi-cumi ngandung protein anu luhur, anu bisa mantuan naekkeun massa otot sarta ngajaga jaringan awak. Cumi oge ngandung kalsium anu kaya, pikeun ngabantuan keur ngajaga tulang jeung huntu anu sehat. Sajaba ti eta, cumi-cumi oge tinggi vitamin B12, anu bisa mantuan ngajaga sistim saraf sehat sarta ningkatkeun produksi sel darah merah. Nanging, emut yen cumi-cumi kedah diolah ku cara anu bener supaya henteu kacemar ku bakteri atawa virus anu bisa ngarugikeun awak. Salaku tambahan, upami aya alergi kana cumi-cumi atawa ngabogaan masalah kasehatan anu sejen, urang kedah konsultasi ka dokter sateuacan ngonsumsi cumi-cumi", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3617", "text": "Balik ka imah ngaliwatan tol Bocimi terus macét di jalan tol Sukabumi. Asup ka wewengkon Cidahu anu mimiti pabukitan jeung ahirna nepi ka wewengkon Parakansalak. Imah kuring masih luhur, rada jauh ti puseur kacamatan Parakansalak. Kalayan penampilan imah kuring kalayan konsép tradisional sareng dua anjing tercinta kolot kuring. Baheula tempat ieu mangrupa kebon tea anu geus aya ti jaman Walanda, tapi ayeuna geus diganti ku lahan sawit. Témbongkeun kebon tea saméméh diganti ku lahan perkebunan sawit. Panempoan Gunung Gede Pangrango katingali ti Gunung Endut, masih aya di wewengkon pagunungan Salak. Panempoan Gunung Gede Pangrango jeung perkebunan kelapa sawit (anu baheulana perkebunan teh) Wates jeung leuweung pagunungan Halimun Salak, di dieu loba walungan-walungan anu jernih jeung teu kotor. Sawah-sawah téras anu teu dicicingan ku padumukan, halimun padet luhureun puncak gunung ngajadikeun suasana tiis, tiiseun, jeung tengtrem. Kebon buah salak urang sorangan nu sok buahan, dipelakan ku bapa lantaran hayang nyocogkeun komoditi nu aya jeung ngaran daerahna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "460", "text": "Alquran nyaeta kitab suci umat Islam nu diturunkeun ku Allah SWT ka Nabi Muhammad ngaliwatan perantara malaikat Jibril. Alquran jadi pedoman jeung pituduh jang umat Muslim di sakabeh alam. Urang geus ti leletik keneh diajarkeun Alquran ku indung jeung bapa. Biasana ngaji alquran rutin nyaeta unggal poe saberes sholat magrib. Ti mimiti ngaji iqro nepikeun ka ngaji make quran gede eta hiji proses ngameh macana bisa lancar. Ngaji quran henteu lila, mun urang mah sok sa ain tapi asalkeun rutin. Lila kalilaan mah bakal parat ngaji quranna. Lamun geus parat sok ngamimitian deui ka awal. Aya kana sataunan atawa dua taunan karek parat, tapi mun keur bulan puasa mah sok gancang sabab tutuluyan dibaca.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8054", "text": "Udin karak asup sakola SMA, manehna keur neangan kagiatan nu cocog jang ngeusi waktosna. Aya hiji ekskul nu nyieun Udin tertarik, ekskulna nyaeta futsal. Futsal teh jadi salah sahiji ekskul nu hese asupna kusabab aya seleksi asup. Nu minat asup ieu ekskul teh loba nanging kuota penerimaanna ngan saeutik. Nanging Udin keukeuh daftar ka ieu ekskul, manehna ngiluan rangkaian seleksi nika keun ka tahap ahir. Tungtungna Udin katarima asup ekskul futsal. Jalan sabulan Udin ngiluan ieu ekskul, manehna kaluar kusabab tetela seniorna garalak. Unggal latihan Udin dicarekan bebeakan mun ngalakukeun kasalahan arek eta kasalahan ageung atawa leutik. Uyuhan we nu sejenna sarabar ngadenge senior-seniorna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8057", "text": "Kagiatan ekstrakurikuler kasti nyaeta kagiatan ekstrakurikuler anu biasana dilaksanakeun di lingkungan sakola pikeun diajar jeung latihan maen bal. Kasti nyaeta olahraga anu dimaenkeun make bal jeung iteuk, sarupa jeung baseball atawa softball. Dina ekstrakurikuler kasti, murid bakal diajarkeun teknik-teknik dasar kaulinan, saperti kumaha carana nyekel iteuk, cara maledog bal, jeung cara lumpat ka arah base. Sajaba ti eta, maranehna oge bakal dilatih dina kaayaan fisik sarta kalincahan sangkan bisa maen optimal sarta ngamekarkeun bakat maranehanana. Sajaba ti eta, kagiatan ekstrakurikuler mindeng dituturkeun ku kompetisi antara sakola atawa antar tim di sakola. Ekstrakurikuler kasti mangrupikeun kagiatan anu positip sareng mangpaat pikeun siswa anu hoyong ngembangkeun bakatna dina kasti. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8791", "text": "Main ball jadi salah sahiji olahraga anu dipikaresep ku barudak , dilaksanakeun di lapangan jukut héjo kalayan legana 105 x 68 meter. Sateuacan ngamimitian pertandingan, sadaya pamaén diwajibkeun pemanasan heula, supados otot henteu tegang sareng kram nalika maén engké. Kaulinan lumangsung 90 menit, hiji tim ngandung 11 pamaén dibagi kana tujuh posisi, nyaéta penyerang, gelandang serang, jangjang, gelandang bertahan, bek jangjang, bek tengah jeung kiper. Tim anu dinyatakeun juara nyaéta tim anu nempatkeun bal ka gawang lawan atawa tim anu nyitak leuwih loba gol. Lamun urang ngalakukeun pelanggaran, wasit bakal masihan kartu, kartu konéng minangka peringatan, kartu beureum dikaluarkeun tina lapangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1550", "text": "Dana darurat teh nyaeta jang urang nu ngaranna nyiapkeun dana cadangan jeung oge pengeluaran nu teu diduga-duga. Conto nu paling gampang di Covid kamari pas bulan Maret, apal-apal teh loba nu di PHK. Sedengkeun kredit masih kudu dibayar, duit sakola budak masih kudu dibayarkeun, hirup oge dahar sapopoe oge masih kudu dilakonan. Kumaha lamun urang teu boga nu ngaranna dana darurat atawa dana cadangan ieu? Bisa-bisa kabehna macet, bahkan bisa oge urang stress sorangan. Jadi dana darurat ieu nyaeta jang ngacover reuwasna eta ayeuna. Jadi pas kajadian nu teu diduga-duga kawas kitu, urang geus tenang lantaran geus nyiapkeun dana darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4186", "text": "Urang salaku generasi muda ayeuna kudu leuwih reueus jeung perhatian kana acara acara adat jeung lamun bisa milu terjun langsung kana acarana. Ieu teh cara sangkan upacara adat kieu teh terus lanjeung kahareupna, kusabab ngke kahareupna urang nu ngarora keneh pasti anu jadi pamingpin lamun acara kieu lamun kolot urang geus areweuh. Upacara kieu teh kudu pisan di pertahankeun kusabab ieu teh acara adat anu unik, tiap daerah di indonesia pasti ngabogaan acara adat kos kieu. Acara adat kos kieu miboga makna anu luhur, makna anu kudu terus di cekel ku urang jeung ngajadikeun prinsip kahidupan kahareupna. Prinsip anu ngajarkeun urang jadi jelema nu leuwih hade, heuwih ngahargaan da urang hirup di dunya ateu sorangan. Aya alam nu ges mere loba mangfaat ka urang aya para karuhun ogea nu perlu di hargaan jeung pastina tungtung ti acara adat tetep biasana lolobana ngawujudkeun syukur ka gusti Allah, tapi carana dina tiap daerah beda-beda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "423", "text": "Jangkungna Nabi Adam sok disinggung ciri fisik nu dipiboga ku para penghuni sawarga engkena. Dumasar kana keterangan hadis, jangkungna Nabi Adam teh nyaeta sagede 60 hasta. Hasta teh mangrupakeun ukuran nu biasa digunakeun ku orang Arab. Lamun dikonversi kana ukuran meter kurang leuwih nepikeun ka 27 meter nu dibuleudkeun jadi 30 meter. Lamun dibandingkeun jeung ayeuna, awak jelema tuluy ngurangan sacara keteterusan nepikeun ka ayeuna. Rata-rata jangkung awak jelema pas zaman Nabi Adam nyaeta sagede 30 meter, samentara rata-rata jangkung jelema zaman ayeuna ngan 1,5 meter nepikeun ka 1,7 meter. Lamun diitung, jangkungna jelema geus ngurangan lobana 3,77 mm tiap taun ti saprak zaman Nabi Adam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6509", "text": "Dina raraga nyegah potensi bencana alam, urang kedah ngalaksanakeunna ti ayeuna. Bencana alama teh datangna teu bisa diprediksi, tapi pencegahanna bisa diminimalisir ti ayeuna. Salah sahiji carana nyaeta ngalakukeun penghijauan. Penghijauan teh dilakukeunna kudu ti ayeuna sebagai bentuk upaya ngaminimalisir bencana alam di masa mendatang. Penghijauan na dilakukeun di berbagai wilayah, terutama di hutan nu gundul jeung daerah nu tandus. Penghijauanna ku cara melak pohon berkayu nu bisa ngajaga kadar oksigen, ngagaduhan akar anu bisa nopang taneuh supaya teu murudul, jeung deuih batangna mun geus gede bisa nahan angin kencang. Akarna oge bisa ngacegah bencana banjir jeung longsor sabab bisa mageuhan taneuh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8082", "text": "Irfan resep pisan nonton bal. Taun kamari Irfan sumanget pisan kusabab aya piala dunya. Irfan ngajagokeun tim ti nagara Francis, manehna atoh pisan sawaktos apal upami prancis lolos ka babak final piala dunya. Manehna optimis pisan ka tim nu lambang na hayam ieu tiasa janten jawara dunya bal taun 2022. Sawaktos pertandingan babak final antara Francis lawan Argentina, Irfan lalajo sareng rerencanganna. Kusabab percanten tim prancis bakal janten jawara dunya manehna taruhan duit saeng rerencanganna. Di ahir babak kadua Irfan mulai hariwang kusabab skorna seri antara Francis sareng Argentina. Parasaan hariwang kagentos janten kakuciwaan kusaba tim nu dijagokeun Irfan eleh di babak pinalti.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "991", "text": "Blockchain mangrupakeun teknologi nu digunakeun jang sistem penyimpanan atawa bank data sacara digital nu nyambung jeung kriptografi. Ngagunakeunna teu leupas ti Bitcoin jeung Cryptocurrency sejenna. Sanajan kitu, aya loba sektor nu sejenna nu bisa ngamangpaatkeun kamekaran teknologi ti Blockchain ieu. Lamun ditinggali tina ngaranna, Block nu mibogaan arti kelompok jeung chain nu miboga arti rante. Arti dina ngaran teknologi ieu nyaeta kumaha cara gawe blockchain. Anu mana teknologi ieu ngamangpaatkeun resource komputer jang nyiptakeun blok-blok anu nyambung. Blok-blok anu silih nyambung ieu engkena teh digunakeun jang transaksi. Blockchain bisa jalan sorangan ngagunakeun algoritma komputer teu make sistem anu bisa ngaturna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4959", "text": "Wedang jahe jadi salah sahiji inuman nu dipikaresep ku kolot baheula, tapi henteu ku buda ngora ayeuna, kaasup abdi sorangan. Wedang Jahe nyaeta inuman nu dijieunna tina gula beureum jeung jahe. Inuman ieu dipercaya bisa ngubaran rupa-rupa panyawat jeung ngajaga daya tahan awak. Di sisi khasiat jeung mangpaatna nu sakitu rea, aya oge pangaruhna kana rasa. Rasana amis, haneut kana tikoro, tapi rada aneh jang baham didieu mah. Salian eta, inuman ieu ge kudu ditinyuh na make cai panas. Keur mah make cai panas, rasana aya haneut-haneutan deuih na tikoro. Jadi intina ieu efek haneut na mantak ngaganggu pisan kana tikoro teh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9319", "text": "Pikirkeun dana darurat sapertos hutang, dimana anjeun kedah mayar unggal bulan. Anjeun kedah nyisihan sababaraha panghasilan ieu dina awal bulan. Upami anjeun sering hilap atanapi gaduh jadwal sibuk, anjeun tiasa nganggo fasilitas transfer otomatis périodik tina rekening tabungan anjeun. Ku cara kieu, anjeun bakal langkung disiplin dina nyisihkeun tabungan anjeun. Leuwih luhur panghasilan Anjeun, nu leuwih kamungkinan Anjeun méakkeun leuwih loba, nu hartina anjeun perlu dana darurat leuwih badag. Upami panghasilan anjeun biasa-biasa waé sareng ngan ukur cekap pikeun nyumponan kabutuhan bulanan, maka cara pinter anu sanés nyaéta pikeun ngumpulkeun sadaya parobihan anu anjeun gaduh. Sanajan nominalna teu pira, tapi lamun dikumpulkeun, lila-lila jumlahna bakal rada badag.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4754", "text": "Sakumaha ngaranna nunjukkeun, bisnis online nyaeta bisnis anu dijalankeun ngaliwatan internet. Ieu ngandung harti yen kagiatan bisnis sapertos jual beli, palayanan palanggan, pamasaran, sareng sajabana dilaksanakeun sacara online.Manarikna dibisnis online, anjeun tiasa ngajual rupa-rupa jinis produk mulai ti barang, jasa, nepi ka produk digital jeung sajabana. Jelema anu meli oge lamun jualan online mah bisa ti mana wae jeung teu aya watesna. Jadi anu meuli bisa ti daerah manna wae boh ngan di indonesia atawa nepi ka luar negeri. Ku alatan eta, kalayan bisnis online anjeun henteu kudu muka toko atawa toko saperti lamun jualan biasa atawa offline lamun jaulan online uarang ngan perlu hape atawa laptop jeung internet.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1167", "text": "Akhir-akhir ieu jasa nyeuseuh sapatu geus jadi usaha nu keur populer. Salian teu ngabutuhkeun modal anu gede, jasa ieu oge masih saeutik. Jadina bisa ngamangpaatkeun kasempetan ieu jang peluang usaha anyar. Contona wae di Kota Bandung, urang asa can manggihan jasa ngumbah sapatu di Kota Bandung, tapi teuing mun urang neangan dina internet mah. Lantaran sapopoe urang bulak-balik Kota Bandung can pernah manggihan di jalan ku cara teu sangaja, ieu ngabuktikeun mun jasa ngumbah sapatu masih keneh jarang, ku kituna bisa jadi usaha nu ngajangjikeun, komo barudak ngora ayeuna mah sapatuna rupa-rupa, pastina jadi usaha nu cocok komo mun posisi tokona deukeut kampus atawa kantoran mah.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3082", "text": "Pikeun ngajual online, pangusaha bakal ngamangpaatkeun média sosial sapertos Instagram, Facebook, TikTok sareng anu sanésna salaku pasar. Salian ti éta, aya ogé sababaraha platform e-commerce anu dipilih, nyaéta Shopee, Tokopedia, Lazada, Bukalapak, jeung réa-réa deui anu mindeng dipaké pikeun ngajual online. 1. Jieun Produk atawa Ngaran Toko anu Menarik Cara ngajual online bakal leuwih gampang lamun ngajual barang ti merek sejen. Tapi pikeun produk anu didamel ku nyalira, anjeun kedah nyiptakeun identitas produk anu kuat. 2. Pilih Pasar anu Katuhu sareng Ngartos Algoritma Bagian ieu ogé penting pisan. Anjeun kedah ati-ati dina milih e-commerce pikeun ngajual produk anjeun. Mimitian diajar kawijakan pasar, sistem, sareng algoritma anu aya. 3. Nyiapkeun Peralatan pikeun Ngajual Online sareng Milih Mitra Ekspedisi Terpercaya Proses salajengna nyaéta nyiapkeun sadaya kabutuhan sareng alat pikeun ngajual online. 4. Inténsif Promosi, Perluas Jaringan ku Ngagabung sareng Komunitas sareng Nyadiakeun Palayanan Pangsaéna pikeun Konsumén Léngkah terakhir anu kedah dilakukeun nyaéta ngalaksanakeun promosi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4015", "text": "Film Miracle in Cell No 7 mimitina nyaritakeun hiji mojang nu ngaranna Kartika nu mikanyaah tur deukeut pisan ka bapana Dodo Rozak. Budak leutik bagja lantaran unggal poé jeung bapana hirupna sampurna sanajan loba kakuranganana. Bapana teu normal jeung hirupna miskin, bapana ukur tukang balon jeung ngajual sapedah. Kartika henteu éra kana kakurangan bapana tapi reueus boga bapa anu luhung. Tapi kabagéaanana musnah nalika aya kasus kasalahpahaman anu nimpa dodo sarta ahirna asup ka bui. Kartika hirup nyorangan. Tapi kartika sok manggih jalan pikeun panggih jeung dodo. Kanyaah Kartika ka Dodo ngungkulan sagalana, kanyaah anak ngarobah sagalana, ngarobah narapidana sobat Dodo jadi jalma alus, tapi hanjakalna Dodo kudu tungtungna maot sarta perpisahan jeung Kartika salawasna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "37", "text": "Kadaharan naon wae ge bakal resep lamun dahareuna bisa leuwih awet jeung tetep enak. Contona pas indit-inditan jauh jeung kulawarga, biasana nyiapkeun heula bekel ti imah. Aya carana sangkan dahareun bisa tetep ngeunah sanajan dina kaayaan tiis. Carana nu kahiji jieun masakan nu teu tereh basi. Ulah masak masakan kuah, siga sop atawa soto, sabab dimasak make kaldu. Nah protein di jerona ngamudahkeun bakteri berkembang jadi rasa jeung aroma masakan leuwih cepet basi. Nu kadua, ulah nutup masakan pas masih panas keneh, biasana babari basi, sabab uap panas tina masakan bisa nyieun kotak bekel jadi aya caian jeung akhirna dahareun babari ruksak. Nu terakhir, simpen tiap masakan dina wadah nu papisah, jadi lamun nyieun menu nu beda-beda ulah dicampurkeun jadi hiji.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2660", "text": "Umar Syarief nyaéta atlét Karate Indonésia, manéhna téh atlét kalahiran Surabaya Jawa Timur, Karateka Umar Syarief geus meunang loba turnamén Karate Internasional, saperti France Open, German Open, Swiss Open jeung rupa-rupa kajuaraan dunya karate séjénna anu bisa jadi mah. tiasa disebatkeun sacara jentre, malahan waktos harita anjeunna ngalaman bedah tuur, alatan tatu, tapi anehna anjeunna henteu ngalaman trauma sakedik. pamaréntah teu merhatikeun atlit, komo waragad pikeun kajawaraan sorangan. Tapi manéhna tetep nyieun préstasi pikeun nagara nepi ka ayeuna masih kénéh kahontal sanajan umurna geus leuwih 40 taun, atlét olahraga anu dipromosikeun ku pamaréntah jadi atlit olahraga prioritas, saperti badminton atawa olahraga séjénna bisa jadi geus pangsiun komo. mustahil kahontal. deui. éta kahéngkéran atlit karesep kuring.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2726", "text": "Dinten ieu kuring ningali pertandingan Persib Bandung dina Youtube. Ngingetan laga Final Liga Indonésia 2014 Persib Bandung vs Persipura Jayapura, palatih Persib Kang Djajang Nurjaman, urut pamaén anu méré piala ka Persib jeung waktu jadi pelatih ogé méré piala ka Persib. Waktu éta, karep lalajo maén bal ngaronjat lantaran tanding final ku tim anu geus 19 taun teu boga gelar ngalawan tim anu meunang final dina Liga Indonésia sababaraha taun katukang. Kuring lalajo dina TV jeung Alm. bapa pertandingan éta final ka-3 anu ditingali ku Alm. Bapa untungna bisa ninggal sasarengan Persib medal juara. Alm. Bapa ceurik nalika Persib meunang pertandingan. Kuring ogé reueus, sabab kuring bisa lalajo pertandingan Persib taun 2014 ti mimiti musim munggaran nepi ka ahir musim, waktu maen laga kahiji di Liga Indonésia, loba pihak nu nganggap remeh jang Persib jaman eta jang kasempetan pikeun jadi Juara.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9516", "text": "Tamiya mangrupikeun merek kaulinan momobilan anu populer di sakumna dunya. Salah sahiji produk Tamiya anu pang populerna nyaeta mobil model miniatur anu tiasa diwangun atawa kit nganggo suku cadang anu disayogikeun. Cocoan ieu loba pisan nu resep jeung jadi salah sahiji hobi anu ditedunan ku sagala generasi. Ngarakit tamiya hese-hese gampil, ku kituna, urang kedah merhatikeun sababaraha lengkah keur ngarakit tamiya. Kahiji, nyiapkeun parabot keur ngarakitna, kayaning gunting, lem, patlot, jeung alat motong. Kadua, taliti baca parentah anu aya dina bungkusan tamiya. Parentah bakal masihan inpormasi ngeunaan bagian anu diperyogikeun sareng kumaha cara ngumpulna. Katilu, mimitian ku assembling bagian diwangun ku pigura (chassis) jeung roda. Pastikeun turutan parentah persis ambeh hasilna saperti nu diharapkeun. Salajengna, tambahkeun bagian sejen kawas awak mobil, jandela jeung asesoris sejen. Pake lem pikeun ngagantelkeun bagian ambeh sakabeh bagianna napel pageuh. Sanggeus kabeh bagian geus dirakit, pariksa deui bagian mana wae nu teu sasuai jeung parentah atawa teu dipasang bener. Tungtungna, tambahkeun detil sareng warna kana model mobil nganggo cet jeung stiker anu disayogikeun atanapi nganggo cet anu dipikahoyong. Antosan dugi sadayana bagian garing. Ku kituna, anjeun geus hasil ngarakit hiji tamiya.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4621", "text": "Jaman baheula mah kamera teh masih keneh jadi alat anu tabu, masarakat baheula mah loba anu era era keneh jeung embung ngagunakeun kamera, salian mereun baretomah harga kameran na mahal jeung ngarasa henteu butuh kamera. Paling kamera baheula digunakeun saukur dina momen penting saperti lamun keur aya acara hajatan boh kawinan atawa khitanan jeung nu lainna. Kahirupan sapopoe moal di kameraan padahal fungsi camera keur ngaabadikeun momen, baheula paling nu make kamera ngan saukur anu pagaweana anu gawena di hareup kamera saperti artis panyanyi jeung sajabana eta ge di pake lamun keur di gawe hungkul teu keur kahirupan sapopoe, beda jeung ayeuna urang anu lain artis lain sasaha oge ngagunakeun kamera, ku lobana minat masarakat ka kamera jadina loba model jeung jinis sarta rupa kamera jeung hargana oge anu rupa rupa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "965", "text": "Ayeuna mah teknologi teh geus serba maju, contona wae lampu. Kiwari mah geus loba lampu nu dikontrol make smartphone, henteu manual make cetrekan dina tembok deui. Ceuk urang mah Smart Lamp unik, sabab bisa ngarobah warna lampu sakumaha kahayang urang. Contona wae mun urang keur maca buku, bisa ngarobah cahaya lampu jadi leuwih caang. Tuluy oge aya fitur waktuna, jadi bisa diatur rek jam sabaraha lampu pareum otomatis. Tapi dina lobana kaleuwihan lampu pasti aya kakurangan, contona wae dina segi pangaos. Lantaran pangaosna teh mahal, komo mun dibandingkeun jeung lampu bohlam biasa. Tuluy dina segi caangna oge biasa wae, teu kawas lampu anu konvensional anu geus pasti watt na sabarahana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4613", "text": "Mesin cuci jadi barang wajib anu aya di unggal imah utama na keur masarakat anu tinggal di daerah perkotaan. Mesin cuci kapake pisan lamun di perkotaan salian ti jelema anu tinggal di kota mah saribuk aktivitas di luar imah teu sempet nyeuseuhan eweh waktu jeung oge masyarakat di kota mah aya keterbatasan dina lahan keur popoean. Jadi biasana leuwih milih moekeun baju na jero imah, lamun teu di seuseh samemehna ku mein cuci pasti imah jadi becek jeung baju jadi teu garing garing. Tah didieu peran mesin cuci di perluken pisan, lamun aya mesin cuci nyeuseuhan bisa iraha wae, misalkeun peuting balik di gawe kan tinggal muterkeun hungkul jadi teu capek saenggeus di seuseuh di garingkeun karek di poekeun di angin angin keun nepi ka baju na garing.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6530", "text": "Hidroponik jadi salah sahiji sistem tanam pilihan di masa nu serba instan ieu. Pasalna, tanaman hidroponik teh dinilai leuwih organik jeung leuwih sehat tibatan sayuran anu aya di pasar. Sistem tanamna nu babari oge jadi pilihan sabab teu kudu make perawatan rumit jiga tanam konvensional. Cukup ku ngamimitian melak binih, kadituna mah kantun ngontro sareng rutin masihan vitamin tanaman supaya teu ku hama jeung tumbuhna ge leuwih leubeut. Harga sayuran hidroponik ge mun dijual teh sok leuwih tinggi tibatan sayuran biasa sabab ngajual kasehatan jeung produkna nu dijamin seger tanpa pestisida. Mantak, mendingan keneh melak sayuran hidroponik daripada cara konvensional mah. Yuk urang cobian dibumi pepelakan hidroponik!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "894", "text": "Nongton sacara langsung pertandingan olahraga teh resep. Salian ti suasanana nu rame, oge urang bisa ninggali langsung penampilan atlet nu ku urang pikaresep. Tapi alusna mah kudu dipastikeun heula kumaha carana nongton olahraga ngarah aman jeung kahindar tina rupa-rupa potensi utamana ngeunaan kasehatan. Saacan nongton pertandingan olahraga naon wae ge, kudu dipastikeun urang dina kondisi dina kaayaan anu sehat. Ngameh nongtonna oge resep jeung urang menikmati. Tapi mun urang mibogaan masalah kasehatan mah, leuwih alusna nungguan heula jang nongton sacara langsung di tempat olahraga. Euweuh salahna urang nongtonna di imah ngaliwatan TV atawa smartphone. Mun ngahajakeun nongton paurna karugrag tuluy kalakah jadi ngahesekeun batur nu hayang nongton bener-bener. Pernah ka alaman ku babaturan, nepikeun ka diakod pas balikna ka parkiran saking teu bisa leumpang da leuleus.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7428", "text": "Samsung Galaxy ZFlip oge tos dilengkepan ku jaringan 5G, janten cocok pisan kanggo saha wae anu resep ngadonlod jeung ngaplod pidio lantaran internetna dua puluh kali leuwih gancang ti jaringan 4G atau anu sanesna. Hape ieu oge cocok kanggo jalmi anu resep popotoan jeung ngadamel video saprtos vlog atau pidio anu ningalikeun kagiatan sapopoe urang. Aya fitur Flex Cam di Samsung Galaxy ZFlip ieu anu ngajadikeun urang tiasa popotoan di mana wae sanajan urang teu gaduh tihang leutik atawa standee kanggo nagngtungkeun hape salila urang ngadamel pidiona. lantaran tiasa ditilep, bagian handapna tiasa janten alas kanggo nyimpen hape sangkan nangtung di hiji tempat anu rata. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8031", "text": "Salah sahiji olahraga favorit barudak teh nyaeta sepak takraw. Sepak takraw olahraga nu ngagunakeun bal salaku alat paulinanna. Bal nu dianggo sanes bal biasa, nanging bal nu dijieun tina rotan. Dina hiji paulinan aya dua tim nu maen, tilu urang satiap timna. Ukuran lapangna ampir sarua sareng ukuran lapang badminton ditengahna oge dipasangan net jang ngabatasan wilayah antar tim. Peraturanna nyaeta bal ulah nikakeun murag diwilayah tim, upami kitu tim lawan bakal menang poin. Ngan maen balna make suku atawa sirah janten teu nganggo leungeun. Tim nu menang ditangtukeun ku pang gancangna menang dua puluh hiji poin. Peran pamainna aya tekong, killer, tur feeder.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2421", "text": "Jaro ngungkabkeun yén warga Baduy Dalam jeung Baduy Luar boga komitmen pikeun henteu nebang leuweung di wewengkon leuweung lindung sangkan eksistensina tetep dijaga.\n\nHal ieu kabuktian nepi ka ayeuna, ayana 3.100 héktar leuweung lindung di Pagunungan Kendeng masih kénéh héjo jeung teu ruksak. Nah kumaha carana iyeu carana:\n\n1. Nerapkeun Prinsip Musibah Asalna tina Leuweung Ancur\nNurutkeun manéhna, warga Baduy boga kawajiban pikeun ngajaga jeung ngalestarikeun leuweung. Sabab lamun leuweung lindung diruksak, bisa ngabalukarkeun bencana alam.\nLeuwih ti éta, wewengkon leuweung lindung di suku Gunung Kendeng téh mangrupa wewengkon hulu di Propinsi Banten, jadi mangrupa wewengkon anu rawan.\n2. Mibanda Gerakan Tanam\nPetani Baduy di Kabupatén Lebak Petani Baduy di Kabupatén Lebak\nMinangka upaya ngajaga leuweung, warga Baduy miboga sababaraha tradisi, salah sahijina nyaéta gerakan melak. Jaro nandeskeun, palaksanaan gerakan tandur téh rutin dilaksanakeun saban taun minangka upaya ngaréboisasikeun lahan sangkan bisa terus nguntungkeun umat manusa.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6808", "text": "Catur mangrupakeun olahraga anu tos dikenal di mana-mana.Catur mangrupakeun olahraga anu dimaenkeun ku dua jalmi anu silih ngagunakeun strategi jeung taktik kanggo ngelehkeun lawan. Kaulinan catur ngagunakeun 64 buah papan catur anu dibagi jadi opat bagian. Masing-masing pamaen gaduh 16 buah catur anu beda-beda anu kedah dipindah-pindahkeun kana papan catur pikeun ngahontal tujuan utamana nyaeta nangkep Raja lawan. Kaulinan catur tiasa dipaenkeun nepika sababaraha jam lamina, sareng rumit pisan. Catur geus jadi olahraga populer di dunya. Unggal taun sok aya turnamen catur anu diayakeun. Catur gaduh seeur mangpaat, nyaeta ngawangun kaahlian mikir kritis. Maen catur ngabantosan ningkatkeun kaahlian pamikiran kritis sareng strategis. Pamaen kedah nganggo strategi sareng mikir ka hareup pikeun ngelehkeun lawanna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3998", "text": "Urang ka jakarta naek kareta langsung da baheula mah bisa keneh naek kareta ti stasiun cikampek ka stasiun jakarta kota, mimitina skareta kosong tapi lila ka lian pinuh pas geus nepi stasiun cikarang kaditi. Untung na urang ges meunang diu kabeh. Sapanjang jalan urang mah teu bisa sare deui tapi milih ningalikeun jalan isuk isuk rasana seger pisan, ari babaturan nu lain aya nu ngeome hape, aya nu sare jeung aya nu ngadengkeun lagu. Kareta makin lila makin sempit jeung dedesekan untung na teu lila deui bakal nepi di stasiun jakarta kota. Saenngges nepi samemeh mulai ulin ka kota tua urang kabehan sarapan heula di stasiun make sangu jeung hayam. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4124", "text": "Salah sahiji takdir anu kudu dirasakeun ku sakabeh mahluk hirup nyaéta maot. Aya bukti dina Al Qur'an dimana. Dina ayat ieu, urang sabenerna nyaho yén unggal urang pasti bakal ngarasakeun maot. resep atawa henteu, urang bakal papanggih takdir maut. Sanajan urang nyoba nyingkahan maot ku sagala cara, urang moal pernah bisa nyingkahan éta. Dimana-mana urang nyumput pikeun ngahindar, urang pasti bakal didatangan ku maot dina waktosna.Tapi anéh na sabaraha urang siga nu teu nyaho bahwa maot teh bisa datang iraha wae jadi sok sanajan karasaeun saolah-olah urang bakal hirup salilana. Padahal urang salaku manusa kuduna ges siap siap soalna urang teu apal iraha datangna kematian. Urang kudu bageur terus deket ka Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2346", "text": "Aluk Todolo, nyaéta kapercayaan masarakat Toraja anu mangrupa ajaran turun-temurun ti karuhun maranéhanana sarta geus jadi dadasar dina unggal aspék kahirupan jeung adat istiadat masarakat Toraja, kaasup Tongkonan. sok dipake jang nyieun imah \r\nTongkonan mangrupa representasi mikrokosmos tina makrokosmos. Tongkonan mangrupa lambang sosial jeung lambang jagat raya, nurutkeun konsép Aluk Todolo. Sistem struktur jeung konstruksi arsitéktur Tongkonan mangrupa sistem struktur anu misah antara bagian handap (sulluk banua), bagian tengah (kale banua), jeung hateup (rantiang banua). Wangunan imah adat Tongkonan dijieun tina kai tanpa unsur logam saperti paku.\r\na. Hateup jeung fasad, utamana bagian triangular fasad disebut lido puang (beungeut dewa), ngalambangkeun Dunya Luhur.\r\nb. Tengah-bumi, dunya manusa\r\nc. Dunya handap fungsi nahan dunya luhur. Jadi imah dirojong ku jiwa-jiwa nu hirup di Bumi (numutkeun sababaraha urang Toraja, Tulak Padang sorangan ngarojong imah).\r\nd. Liang, nu dibuka dina jero hateup pikeun upacara ti wétan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1886", "text": "Lahirna kadaharan has Bandung batagor alias bakso tahu goreng, asalna tina carita Isan, tukang bakso tahu taun 1969. Manéhna ngaropea dagangan bakso tahu nu ludes beak kajual ku cara digoreng. Anjeunna ngalakukeun ieu supados bakso henteu kaleuleuwihan. Isan tuluy ngabagikeun eta dahareun ka tatangga sabudeureun imah kontrakan. Tétéla aranjeunna dipikacinta jeung sarenengeun, alatan nepi tatangga sok menta sesa bakso tahu ampir unggal soré nalika manéhna balik ka imah. Ngarasa goréng alatan méré dagangan olahanna anu teu payu wae ka tatangga, Isan mutuskeun pikeun milah-milah adonan. Aya nu keur bakso tahu kukus, aya oge nu keur digoreng. Saprak harita, Isan teu perlu deui ngurilingan kampung sabab celenganna di sisi Jalan Kopo geus loba nu meuli. Harga batagor harita mah Rp 35 atawa Rp 100 per 3 lembar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1906", "text": "Sababaraha kali kuring resep maca tulisan ti jalma-jalma anu resep nyindiran nalika ningali ibu-ibu anu kecanduan mésér parabot masak. Pikeun panon jalma biasa, kalakuan ibu-ibu ieu téh runtah absurd. Unggal indit ka warung, leungeunna sok galécok nyokot parabot masak dina rak parabot masak. Sakapeung mah meuli panci presto, isukna meuli loyang anti mentel, isukna meuli loyang anti mentel. Teu nyebut harga anu ditawarkeun pikeun produk anu lumayan mahal. Coba bayangkeun, contona urang meuli barang anu rada mahal tapi tahan lila jeung bisa dipaké pikeun puluhan taun sarta dibandingkeun jeung barang anu leuwih murah tapi unggal taun urang kudu ngaganti eta sabab gancang rusak. Mana anu langkung mirah? Leuwih hade ngabeakeun duit di awal, leuwih mahal tapi kahareupna ekonomis, bener? Barina ogé, parabot masak beuki mahal dinten-dinten, jadi Anjeun bisa nyebutkeun boga parabot masak kualitas kiwari mangrupa harta karun di mangsa nu bakal datang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "553", "text": "Dorokdok oge jadi salah sahiji oleh-oleh khas daerah anu asalna ti Garut. Nepikeun ka Dorokdok teh geus jadi ikon Garut sabab emang asalna tidieu. Bahan utama nyieun dorokdok teh nyaeta kulit sapi atawa kulit munding. Tekstur dorokdok ieu renyah, gurih, jeung asin. Lamun didahar aya sora anu khas kaluar tina dorokdok ieu pas digegel teh, nyaeta pas digegel teh bakal aya sora dorok dok, sora ieu kaluar lantaran kurupuk anu garing. Aya rupa-rupa oge rasana, aya rasa original aya oge anu lada. Dorokdok bisa didahar langsung atawa bisa didahar jeung cai kuah. Mun didahar langsung usahakeun kudu siap cai nginum sabab saenggeusna teh sok ngarasa garing tikoro teh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8145", "text": "Salah sahiji teknologi nu seueur diwartakeun kontroversial nyaeta teknologi AI atanapi artificial intelligence. Seueur nu nyarioskeun ieu teknologi tiasa ngabahayakeun kahirupan manusa. Padahal teknologi ieu seueur pisan manfaatna pikeun kahirupan manusa. Unggal aya masalah nu kompleks urang teu kudu mikir wae kusabab make algoritma ieu teknologi tiasa nyalsekeun parmasalahan kompleks. Artificial intelligence tiasa ngabantos manusa ngalakukeun kagiatan sapopoe sapertos mere rekomendasi info di sosial media, ngagampilkeun urang neangan hiji perkawis liwat smart assistance, dugi ka ngabanttos manusa memprediksi resesi atanapi penurunan daya beli masarakat. Perkawis-perkawis kos kitu tangtos positif pisan pikeun manusa nangin goreng alusna teknologi gumantung urang nu nganggona.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2696", "text": "Salajengna nyaeta arung jeram. Meureun kusabab umur beuki dewasa, jadi mimitina aya rasa gugup.\r\nWaktu éta kuring perhatikeun raray tegang jalma-jalma anu mimiti ngalakukeunana ogé. Ningali instruktur ngajelaskeun, gugup kuring ampir ngaleungit, khususna nalika kuring ningali rombongan awéwé Jepang anu katingalina tegang pisan, kuring bungah. Abdi masih gugup, tapi kuring nyobian teu malire sareng percanten ka profesionalisme perusahaan anu ngurus éta.\r\nSanggeus éta pangalaman munggaran, abdi teu ngarasa gugup deui. Kuring ngalakukeun eta deui jeung deui nepi ka tungtungna kuring bosen sorangan sarta mimiti ngarasa exhausted. Teu ngaraos raos sapertos mimitina.\r\nBari milu dina kagiatan arung jeram, ngalaman abrasions minor geus ilahar.\r\nPamustunganana kuring resep ngebon pepelakan hias, gawé sosial ka panti asuhan sareng daérah bencana alam, nyéépkeun sareng ngalindungan piaraan anu nyasar / ditinggalkeun sabisa-bisa.\r\nNya bari ngebon kuring ngarasa tatu pangbeuratna anu can cageur-cageur nepi ka kiwari, nyaéta ragrag, lésot tina tangkal.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4239", "text": "Indonesia jeung nu ngabogaan loba suku suku di daerah loba seni budaya tradisional na salian ti tari tarian tradisional indonesia oge boga loba alat musik tradisional nu unik jeung ngahasilkeun sora nu merdu salah sahijina nyaeya Sasando. Alat musik sasando berasa dari kabupaten Rote ndao nusa tenggara timur (NTT) Sasando nyaéta pakakas senar anu di paenkeun ku cara dipetik. Alat musik ieu ampir sarua jeung kecapi jeung kacapi. Sanajan kitu, Sasando ngabogaan sora has. Pikeun muterkeun alat musik tradisional NTT ieu ngagunakeun dua leungeun ti arah sabalikna, kénca ka katuhu jeung katuhu ka kenca. Leungeun kénca muterkeun melodi jeung bass, sedengkeun leungeun katuhu muterkeun akur.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3632", "text": "Kapal terbang kaasup kana modus transportasi anu dipilih pikeun mobilisasi. Boh pikeun ngarambat antarkota di jero nagara boh luar negeri. Hayu, manggihan cara naek pesawat pikeun beginners handap. 1. Mesen Tiket Maskapai Nurutkeun Tujuan\nLéngkah munggaran anu kedah dilakukeun ku Eigerian sateuacan naék pesawat nyaéta, tangtosna, mesen tikét dumasar kana tujuan.\n\nCara panggampangna pikeun mesen tiket pesawat nyaéta ku aplikasi maskapai atanapi situs wéb agén perjalanan online.\n\nUrang ogé mésér tikét pesawat langsung ka agén perjalanan atanapi agén maskapai anu aya hubunganana.\n\nNalika mésér tikét pesawat, pastikeun jadwal keberangkatan, tujuan, sareng jinis maskapai leres.\n\nSajaba ti éta, hal anu penting pikeun urang mariksa wewengkon target. Kusabab pandémik COVID-19, henteu sadayana daérah nampi wisatawan. Peraturan wisata pikeun tiap daérah béda-béda.\n\n2. Siapkeun Dokumén anu Dibutuhkeun\nHal penting séjén anu kedah diperhatoskeun ku Eigerians nalika iinditan ku pesawat nyaéta nyiapkeun dokumén.\n\nBiasana, dokumén anu dijadikeun sarat pikeun naék pesawat téh mangrupa KTP atawa SIM asli pikeun tujuan domestik.\n\nSamentara éta, pikeun perjalanan asing, paspor sareng nagara tujuan diperyogikeun.\n\nPikeun tiket pesawat, urang tiasa nunjukkeun bentuk digital ngalangkungan gadget atanapi nyitak dina bentuk fisik.\n\nSalaku tambahan, ngalengkepan sarat sanés pikeun iinditan salami pandémik COVID-19.\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "199", "text": "Geus 7 taun urang boga kamera DSLR, tibaheula fotografi kaasup hobi urang. Salian ti meunang karesep, aya oge mangpaat fotografi nu ku urang rasakeun. Jadi obat stres, urang sok motoan sagala objek nu aya di sabudureun atawa sok ngahaja neangan tempat wisata jang motret-motret alam. Ieu ge bisa jadi salah sahiji karya nu bisa dijieun tina bentuk foto atawa video, bisa oge dijadikeun lahan jang meunangkeun duit. Lamun foto bisa di jual di situs online contona di Fotolia, di situs ieu kauntunganna lumayan 20-62 persen. Lamun video leuwih universal, bisa di unggah di sosial media, atawa kanal Youtube. Meunang duitna bisa tina sponsor atawa iklan di aplikasi. Jadi salian ti ngaleungitkeun stres, bisa jadi peluang bisnis oge.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "593", "text": "Sangu timbel teh nyaeta kadaharan khas Sunda. Sangu timbel dibungkus ngagunakeun daun cau nu bentukna buleud lonjong nu nyarupaan timbel, alat pancing. Dina perkembanganna sangu timbel teh teu ngan ukur bentukna lonyod tapi aya oge nu bentukna segi tilu atawa segi opat. Sangu timbel biasana didahar jeung sayur haseum, lauk goreng siga lauk emas atawa gurame, tahu jeung tempe. Pilihan lauk nu sejenna siga hayam goreng, hayam bakar, atawa lauk asin jambal roti. Sangu timbel beuki ngeunah lamun didahar haneut-haneut keneh ditambah make sambel jeung lalaban. Sangu timbel bisa didahar dina waktu isuk-isuk jang sasarap, dahar beurang, atawa dahar peuting.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "903", "text": "Nascar Rumble salah sahiji game favorit urang mun keur maen PS pasti weh maenna Nascar Rumble. Aya loba jenis mobil di Nacar Rumble teh gumantung kana kategorina, aya nu Rookie, Pro, jeung Elite. Biasana pas mimiti maen mobil nu bisa dipilih teh terbatas, teu kabuka kabeh, nu kabukana teh ngan nu Rookie hungkul. Mun hayang kabuka kabeh kudu namatkeun story na. Tapi sabab geus kasebar kode-kode di kalangan nu pamaen PS mah, jadi urang teu kudu namatkeun story jang meunangkeun mobil nu alus, cukup ngasupkeun kode-kode khusus. Nu paling ku urang resep mah mobil anu elite, ngaran mobilna teh Jet Car. Desain mobil Jet Car beda jeung mobil nu sejen, mobil ieu bentukna siga roket jeung mibogaan nos dibagian tukangna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "539", "text": "Mangpaat maca carita rakyat teh bisa ningkatkeun kamampuan komunikasi. Hal ieu sabab urang bisa nyaritakeun deui carita rakyat nu geus pernah dibaca ka babaturan nu sejen. Urang jadi bisa ningkatkeun kamampuan nepikeun carita nu menarik jang nu ngadengena. Biasana pas nyaritakeun ulang urang bisa sacara lancar nambahkeun hal-hal anu unik. Ku sabab eta, kamampuan bahasa jeung elmu kecap urang bakal leuwih loba. Maca carita rakyat oge bisa ningkatkeun kamampuan ingetan. Dina carita rakyat, urang bakal manggihan alur carita nu bakal diperhatikeun ku cara nuturkeun jalanna carita. Lamun urang mindeng maca carita rakyat, urang bakal ningkatkeun kaahlian ingatan sacara taliti jeung tajem.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7401", "text": "Piala Solidaritas Dunia Tsunami Aceh 2017, sacara resmi dingaranan Piala Solidaritas Dunia Aceh 2017, nyaeta turnamen maen bal opat tim anu diayakeun di Banda Aceh antara kaping 2 nepi ka 6 Desember 2017. Turnamen ieu diayakeun minangka acara solidaritas pikeun daerah anu kapangaruhan ku lini jeung tsunami Samudra Hindia 2004 sarta dilakukeun kanggo mawa acara hiburan badag deui ka kota. Mimitina loba tim anu diondang pikeun ilubiung, utamana nagara-nagara anu katarajang tsunami. Turki jeung Australia mimitina diperkirakeun bade ilubiung dina kagiatan ieu tapi dina palaksanaanna henteu janten ngiringan. Panitia turnamen boga harepan ngajadikeun Piala Tsunami Solidaritas Dunia Aceh janten acara taunan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8265", "text": "Kagiatan wirausaha mangrupikeun pangrojong pertumbuhan ekonomi. Pangusaha maenkeun peran dina pertumbuhan ekonomi ku ngenalkeun teknologi inovatif, produk sareng jasa. Pangusaha oge nyayogikeun kasempetan padamelan enggal anu pamustunganana ngabantosan ekonomi ku ningkatkeun pendapatan nasional. Mangpaat wirausaha nyaeta kieu. Buka padamelan, ngabantosan kamekaran ekonomi, ngaktifkeun kasempetan pikeun ngembangkeun barang, jasa, sareng teknologi, ngaronjatkeun kompetisi sareng produktivitas sehat. Ngabantos dina identifikasi jeung ngembangkeun bakat managerial. Potensi tanpa batas tangtukeun tempat gawe anjeun sarta waktu. Tumuwuh sareng pamekaran konstan. Jieun karir nu saluyu kalawan nilai pribadi. gaduh kabebasan sareng kalenturan pikeun ngarengsekeun masalah langsung. Conto wirausaha anu ayeuna diminati pisan nyaeta janten Youtuber, nyaeta jalma anu nyiptakeun konten video teras unggah kana jaringan sosial Youtube.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5871", "text": "Mun fofotoan make kamera teh sok kudu diedit heula supaya hasilna leuwih memuaskan. Tah tilu aplikasi edit foto nu alus teh nyaeta nu kahiji VN. Dina VN, fitur edit foto na kabilang lengkap sabab geus aya setting detailna nepi ka sagala-gala. Salian foto, bisa oge dipake ngedit video. Nu kadua nyaeta picsart. Aplikasi ieu nyaeta aplikasi edit foto nu loba fitur editna, aya nu mode pro tapi kudu berbayar jeung berlangganan. Nu katilu nyaeta snapseed. Aplikasi iei jadi salah sahiji favorite para editor sabab babari ngoperasikeun nana, fitur edit na ge lengkap pisan jeung babari diaplikasikeun. Hasil foto nu di edit na ge bisa didownload tanpa aya tanda watermark.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8132", "text": "Koh Ahong tos 25 taun muka usaha toko barang elektronik sareng pamajikanna. Ti mimiti usaha leutik nika ayeuna usahana tos ageung janten tiasa muka toko nu ageung oge. Sagala rupi barang elektronik aya tur diical di toko Koh Ahong. Barang elektronik nu pang lakuna di toko nyaeta magic com sareng setrikaan. Unggal bulan tangtos janten penjualan nu pang seueurna. Magic com sareng setrikaan tiasa laku teh kusabab diperyogikeun pisan ku ibu-ibu rumah tangga tur dua barang elektronik ieu gaduh umur anggoan nu relatif sakedeng janten babaraha taun kudu digentos. Ayeuna keur laku oge kompor listrik sareng teko listrik di tokona Koh Ahong. Kusabab praktis merennya janten ieu barang-barang laku oge diical.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6628", "text": "Jaman ayeuna seeur kadaharan anu viral di sosial media, salah sahiji kadaharan anu terkenal jeung tos gaduh cabang di mana-mana nyaeta mixue. Tempat anu ngajual es krim sareng minuman ieu laku pisan lantaran hargana anu mirah jeung janten panaratas es krim dicampur boba. Minuman ieu asalna ti Tiongkok, matakna seeur jalmi anu mulai ngabahas ngenaan hala atau haramna minuman ieu, lantaran tos satahun leuwih teu acan aya logo halal di minuman ieu. Teu sakedik oge jalmi anu tos kaburu nyobian mixue padahal teu apal ieu teh tos halal atanapi teu acan. Akhirna seeur jalmi anu ereun meser mixue sabari nungguan mixue meunang sertifikat halal ti Majelis Ulama Indonesia, sabab upami urang terus-terusan ngadahar nu teu acan jelas halal atawa haramna leuwih sae upami urang mastikeun heula statusna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5025", "text": "Basa libur kuliah, abdi jeung babaturan ngahaja ulin ka curug. Abdi neangan curug nu aya di daerah Sumedang. Pas ningali na google aya nu deukeut namina curug Ciputrawangi. Curug ieu lokasina di kaki gunung Tampomas, Buah Dua. Jalan ka curug na ti mimiti jalan raya nepi kabgang leutik pipireun imah warga. Mun teu ningali google maps mah jigana moal kapanggih. Sakira dua jam perjalanan ti jalan raya, akhirna dugi oge ka curug. Eits, ti parkiran teh urang kedah tracking satengah jam supaya bisa nepi ka curugna. Tah track na teh nanjak pisan tutuluyan nepi ka curugna. Ngan kabeh kacape pasti kabayar ku kaendahan curugna. Curug ieu teu pati jangkung, paling kur lima meteran, tapi caina herang kacida, sumber mata air gunung Tampomas. Abdi harita balikna sore teuing jadi kahujanan di jalan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1875", "text": "Nalika ditanya ngeunaan inuman favorit kuring. pastina inuman anu kuring resep nyaéta cai bodas. namung eta hereuy, Inuman karesep kuring sabenerna nyaéta jus alpukat. Jus alpukat ngeunah pisan. Naon deui anu héjo buahna pelem rasana sarua deui jeung warna karesep kuring. Abdi sering nginum jus alpukat nalika usum alpukat. Sabab di gigireun imah kuring aya tangkal alpuket. Janten kuring henteu kedah mésér upami hoyong ngadamel jus alpukat. Inuman karesep kuring anu salanjutna nyaéta jus jeruk. Jus jeruk pisan seger. Janten upami kuring haus atanapi panas, teras kuring sok ngadamel jus jeruk. Tapi mun kuring jadi indung kuring bakal meuli kendi husus pikeun jus. mun kuring teu meuli jeruk, kuring teu bisa nyieun jus jeruk. Sabab di sabudeureun imah kuring teu aya tangkal jeruk,", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5075", "text": "Unggal poe Minggu Mega jeung babaturan nana osok jajan ka Candi. Candi nyaeta bukit nu unggal poe Minggu isuk-isuk pasti aya pasar kaget. Mega biasana kaditu mapah ngaliwatan pasawahan. Mega sok bari ngahaja olahraga santai leuleumpangan. Di Candi, Mega sok ningal pentas seni Sisingaan. Beres nonton pertunjukan seni karek jarajan. Biasana Mega meser jajanan cilor (aci telor), es teh poci, jeung lumpia basah. Didieu tukang dagangna loba pisan, sagala aya timulai jajanan, cocooan, dugi ka rencang sangu. Tah, Mega ge sok mekel jajanan ka bumi kangge diemam babarengan. Tos wareg jajan, Mega jeunv babaturanna tuluy mudun deui aruih ka imah masing-masing.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7122", "text": "Dina poe katujuh saatos Upacara Puput Puser, aya deui upacara adat sunda kanggo murangkalih nyaeta Upacara Nurunkeun. Upacara ieu mangrupakeun upacara anu dilaksanakeun pikeun ngenalkeun murangkalih ka lingkungan sabudereunna. Engkena, murangkali bakal dibawa ku paraji ka teras kahiji kalina sakaligus kanggo masihan apal ka tatanggi yen murangkalih teh tos tiasa diajak ka luar sareng jalan-jalan. Dina acara ieu oge disadiakeun seeur pisan dahareun, ti dahareun camilan nepikeun dahaeun beurat. Biasana dahareun cemilan jeung bungbuahan dibungkusan teras digantungkeun dina awi. Benten sareng dahareun beurat sapertos tumpeng jeung sejenna anu disimoen dihandapeunnana. Dina awi oge dipasang ayunan tinan kaen kanggo mangku orok, teras paraji macakeun du'a. Saatos kabeh ritual dilaksanakeun, sadaya semah tos tiasa ngaleeut sadaya dahareun adu tos disadiakeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5094", "text": "Mun nuju gaduh acis leuwih, Meta sok ngahajakeun ameng ka bioskop jang nonton film. Kaleresan ayeuna nuju aya film Pengabdi Setan 2. Meta angkat ka Jatos saberes kuliah sore. Tuluy langsung meser tiket kangge nyalira. Di bioskop, Meta nonton sosoranganan euweuh nu ngabaturan, asa rada keueung, ceunah. Filmna rame, seueur jumpscare na, jeung deuih alurna babari dipahami. Saberes nonton film, Meta jajan heula ice cream. Tos beres ngemil langsung uih deui ka kostan. Duh rada keueung jadina teh uih nonton film horor teh. Nya di kostan nyalira, ah pamikiran Meta teh mending we ngendong di kamar rerencangan. Teu mikir deui, buru-buru Meta ngungsi ka kamar rerencanganna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8102", "text": "Aya sababaraha alesan naha seueur jalma resep ngagunakeun Android dibandingkeun sareng sistem operasi seluler sanes, sapertos ios. Android tiasa dipasang dina merek telepon anu beda, ku kituna pangguna ngagaduhan seueur pilihan pikeun milih telepon anu cocog sareng kabutuhan sareng anggaranna. Android ngabogaan tampilan anu leuwih fleksibel sarta bisa dirobah nurutkeun kahayang pamake. Pamake tiasa nyetel tema, widget, sareng tampilan aplikasi anu langkung variatif. Android mangrupikeun sistem operasi open source, anu hartosna pamekar tiasa ngakses kode sumberna sareng ngembangkeun aplikasi langkung gampang. Ieu oge hartosna seueur aplikasi anu sayogi gratis sareng gampang diakses dina Google Play Store. Android ngamungkinkeun integrasi sareng sababaraha aplikasi sareng jasa Google, sapertos Gmail, Google Drive, sareng Google Maps. Hal ieu ngamungkinkeun pamake pikeun gampang ngakses jasa Google jeung sagala rupa fitur sejenna disadiakeun ku Android.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2782", "text": "Kuring teu make mesin cuci pikeun alesan di handap ieu sarta mikir ngeunaan alesan pikeun ieu, kahiji mesin cuci sok geus bodo jeung buta. Anjeunna teu terang yen kokotor dijieun sabudeureun kerah baju nu keuna kana beuheung, ogé sabudeureun leungeun baju nu keuna kana kelek. Kusabab mesin cuci mah bodo sareng buta, anjeunna moal tiasa ngabersihkeun kokotor., Kadua cara gawéna téh pikaseurieun, jigana mah. Pakéan di jerona ngan ukur ngagulung ka arah anu béda. Anjeunna teu tiasa ngalakukeun tugas nyikat manual sapertos urang ngumbah sacara manual.Katilu Ngan nyieun gandeng jeung alatan sora bari ngalakonan pagawean ngumbah jeung rinsing.Kaopat ngajantenkeun tagihan listrik abdi naek sakitar Rp 50.000 dina sabulan. Nah komo deui pikeun kuring anu capé (pagawe ékonomi lemah), ieu kadang rada beurat. parasaan sareng akal sehat kuring nyarios: Sakumaha pinterna mesin cuci, éta tetep henteu tiasa ngéléhkeun kuring dina padamelan cuci.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5828", "text": "Generasi milenial mah raresep na teh kana hape iphone dibandingkeun android. Hal ieu disebabkeun ku kaperluan kajernihan kamera. Jadi, kamera hape iphone teh dinilai natural jeung alus pisan jang fofotoan, dina hasil video na oge teu noise sama sekali, jadi cocok pisan jeung kabutuhan fofotoan. Batrena nu dinilai bisa tahan lama dibandingkeun android ge jadi salah sahiji kaunggulan ieu produk hape. Salian eta, desain hape nu unik jeung boga ciri khas ngajadikeun ieu iphone teh hape kalangan muda nu teu lekang ku jaman. Jeung ku sabab hargana nu fantasti, leuwih mahal manglipet ti hape android, ngajadikeun ieu iphone katelah ku hape sultan sabab ngan bisa dibeuli kunu memang mampu hungkul.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4653", "text": "Lamun nurutkeun data ti internetworldstats, dina taun 2021 Indonésia bakal kacatet minangka nagara katilu panglobana pamaké internét di Asia. Peringkat ieu ngabuktikeun yén internét geus jadi bagian penting masarakat Indonésia. Kabuktian ku ayana panyadia ladenan internét saperti IndiHome pikeun nyumponan pangabutuh digital masarakat di ieu nagara, boh pikeun digawé, diajar, jeung ngarasakeun rupa-rupa eusi hiburan. Ayana internét miboga pangaruh anu gedé kana sagala rupa aspék kahirupan nyaeta ngagampangkeun komunikasi sareng milarian inpormasi, transaksi bisnis tiasa dilakukeun iraha waé sareng dimana waé, henteu aya halangan jarak sareng waktos pikeun komunikasi, ngagampangkeun pagawé pikeun digawé jarak jauh, ngagampangkeun masarakat pikeun meunangkeun palayanan umum, kalebet palayanan pamaréntah jeung sajabana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "401", "text": "Sholat jadi salah sahiji kagiatan rutin jang umat islam. Rutin teh sabab dina sapoe wajib dijalankeun 5 waktu. Lamun keur di kobong biasana urang sok ngahudangkeun santri nu sejen ngameh sholat berjamaah jeung guru. Pangpangna dihudangkeun teh sok tara ngadangu adzan, tapi maklum da di teun urang mah adzan na teu make speaker. Komo deui lamun sholat subuh rada hese dihudangkeunna, tapi di maklum sabab ngajina sok nepikeun ka peuting aya nepi ka jam 1 peuting, jadi pas subuh sok lalungu keneh. Ari urang mah geus dibiasakeun samemeh sholat sok mandi heula, kecuali lamun sholat subuh teu kuat mandi heula mah bakat ku tirisna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7080", "text": "Taurat diturunkeun salami 40 dinten. Taurat diturunkeun ngagunakeun basa Ibrani, nyaeta basa anu digunakeun ku Bani Israil atawa Yahudi pikeun komunikasi sapopoe. Iman kana kitab suci Alloh mangrupa salah sahiji rukun iman dina ajaran Islam. Jadi, satiap jalma mukmin tangtu kudu percaya kana kitab-kitab Allah, kaasup kana Taurat anu diturunkeun ka Nabi Musa. Taurat diwangun ku lima bagian kitab, nyaeta Kajadian, Kitab Keluaran, Kitab Imamat, Kitab Bilangan sareng Kitab Ulangan. Kitab Taurat anu pokok ajaranna 10 parentah Alloh minangka pituduh pikeun Bani Israil nyaeta, Parentah percaya kana katunggalan Allah. Parentah ulah nyembah berhala. Parentah ulah nyebut asma Allah kalawan sia-sia. Parentah pikeun nyucikeun dinten Saptu tina kagiatan dunya sareng ngeusian ku amal ibadah. Parentah pikeun berbakti ka kolot. Parentah atawa larangan pikeun maehan sasama manusa. Parentah atawa larangan zinah. Parentah atawa larangan maling. Parentah atawa larangan pikeun jadi saksi palsu. Parentah atawa larangan nyokot hak batur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "833", "text": "Samsak tinju mangrupakeun kantong anu ajeg nu dijieun jang ditonjok tutuluyan. Hiji samsak biasana mibogaan bentuk silinder, jeung dieusian ku rupa-rupa bahan anu teuasna disaluyukeun. Samsak mindeng dieusian ku siki-sikian, taneuh, kaen elap, atawa bahan sejenna, jeung biasana digantung di luhur hateup atawa ditempelkeun dina dudukan. Desain samsak jadi ngamungkinkeun jang narima tonjokan jeung kudu nyerep dampak dina tonjokan eta. Biasana samsak digunakeun dina seni bela diri, siga karate, sanda, taekwondo, jeung muay thai. Beuratna samsak biasana antara 22,5-68 kg. Tiap kali nonjok samsak, bisa ngagunakeun peureup leungeun, suku jeung tuur. Pas nonjok kana samsak sok aya suara dug. Tuluy mun samsak kaeusian pinuh mah bakal nagen, beda mun samsak hampang sok bolak balik pas ditonjok teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6737", "text": "Di daerah punclut, Bandung aya tempat wisata anu nyuguhkeun suasana kawas di Eropa. Restoran ieu aslina mangrupakeun bakery atau anu luewih kasohor ku tempat nyieun kueh jeung roti anu ngaran merekna Gloria & Taarts anu tos dikenal ti taun 1999. Aya munara khas Eropa jeung jam badag anu aya di tembokna. Sanajan namina bakery, tempat ieu teu ngan saukur ngical roti jeung kue hungkul, tapi aya oge dahareun anu sanesna. Munara anu janten ikon di tempat ieu dibagun di luhureun bukit, janten urang tiasa ngarasakeun angin sareng ningal pemandangan kota ti luhur. Bakating ku viralna tempat ieu, lamun keur pinuh pisan urang bisa-bisa ngantosan tilu puluh menitan leuwih upami pesen dahareun di dieu. Janten upami bade datang ka dieu ulah pas keur lapar-lapar na.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4946", "text": "Mie ayam mangrupakeun salah sahiji tuangeun karesep abdi pisan. Mie ayam nyaeta mie endog nu ditambahan ku hayam dibumbuan. Mie nu diangge nyaeta mie endog. Tuluy hayam na biasana dibumbuan kuah warnana cokelat ku kecap. Biasana mie ayam disayogikeun make topping saosin hejo, ceker, jeung hayam nu dibumbuan. Aya oge nu osok nambahan pangsit dina topping na. Mie ayam biasa na make kuah koneng jeung loba saosan. Asa lain mie ayam mun saosna ngan saalit mah. Mie ayam disayogikeun na na mangkok, mae sumpit jeung sendok. Warna mie na teh biasana bodas semu koneng. Tah koneng na ieu teh mangrupa kaldu hayam nu dihijikeun jeung minyak supaya mie teu liket.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9343", "text": "Supados hubungan jeung babaturan anu leres tiasa dibentuk, babaturan kedah terang anjeun anu aslina. Percaya diri sareng kabuka ngeunaan naon anu anjeun pikahoyong. Nyetel musik karesep anjeun nalika anjeun nyetir mobil sareng réréncangan anjeun sareng bagikeun obsesi anjeun ngeunaan kabeh karesep anjeun. Ekspresikeun sacara terbuka naon waé anu dipikahoyong. Ieu tiasa ngadeukeutkeun anjeun ka réréncangan anjeun, sareng aranjeunna bakal langkung resep ngabagi carita sareng anjeun. Biasana ngarasa teu ngenah di babaturan anyar. Coba nunjukkeun basa awak anu nunjukkeun anjeun percaya diri. Entong pura-pura anjeun resep kana hiji hal pikeun tetep sareng babaturan. Jalma biasana bakal manggihan, sarta bakal hésé pikeun anjeun némbongkeun identitas anjeun lamun ieu kajadian.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1866", "text": "Nalika baheula pernah kapikiran jang meser cumi bakar di tempat cumi anu food blogger di review ku suami istri hahaha di vidio sareng foto ig nya emang wah wah akhirna ngagaleuh via ojol terus dikintun ka imah rerencangan anu caket sareng outlet ( pas abdi bade ka imah rerencangan) Abdi teh, maksudna pas datang ka imah rerencangan abdi tuangeun oge tos dugi janten teu kedah ngantosan lami), namung Ti ngawitan datang eta cumi, rerencangan abdi langsung nyarios \"gelo, bau hanyir pisan\" padahal teu muka plastik pisan, kabel ties masih hurung. Atuh ka imah tos ngaraos bingah tuang, kan.. Pas dibuka, hanjakal pisan, moal deui meuli cumi ka dinya.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5032", "text": "Bukit Panyaweuyan nyaeta salah sahiji wisata hidden gem nu lokasina di Majalengka. Wisata ieu nyajikeun kaendahan pamandangan alam mangrupa bukit nu dipelakan bawang beureum nu ngajajar rapi petak-petakan nana. Aya oge spot popotoan dina ketinggian nu pamandangan na endah jeung lega pisan. Hawa na teu pati tiis najan dina dataran tinggi ge, sarua we jeung hawa di Majalengka, rada panas. Tah, didieu cocokna nuang indomie bari nyanghareup ka pamandangan perbukitan. Nginumna make tinyuhan susu atawa wedang jahe, beuh mantap pisan karaos na teh. Tiket na gratis, ngan mayar parkir hungkul lima rebu samotor. Kantos nyobian kadieu? Yuk ah nu teu acan geura cobian nikmati endahna pamandangan didieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2009", "text": "Abdi émut dinten awal pandémik Covid 19 kaluar. Sadaya kagiatan online ngajantenkeun kuring ngagolér, dugi ka tungtungna bosen ogé. Jaman baheula, kuring anteng nempo status babaturan kuring nu eusina poster latihan desain grafis. Kusabab gratis jeung teu kudu loba ini itu, kuring ngadaptarkeun kanggo senang-senang.. kumaha waé éta henteu goréng pikeun ngeusian waktos luang. Teu disangka-sangka, sanggeus latihan ieu kuring ngajurung kuring kana kreasi-kreasi kawas nu di handap sahenteuna nepi ka ayeuna, kuring masih nyoba pikeun salawasna ningkatkeun, bari néangan kagiatan positif séjén nu bisa kuring laksanakeun bari iklas sabab kuring sadar dunya ieu terus obah jeung ngarobah. . Mudah-mudahan mah ahirna hasil.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6673", "text": "Jaman ayeuna ngopi tos janten kabutuhan pokok kanggo lolobana budak ngora, utamana anu cicing di kota. Hal eta nyebabkeun seeur Coffee shop atawa tempat ngopi di mana-mana. Biasana coffee shop sok ngagawekeun budak ngora janten barista. Barista teh tugas utama na mah nyieun kopi. Tapi, saur rerencangan abdi anu kantos janten barista nyatana barista teu ngan saukur tukang nyieun kopi hungkul, tapi oge tukang beberesih jeung sakaligus janten kasir. Sateuacan kedai kopi di buka biasana barista kudu nyobian heula kopi supados rasa kopi anu disajikeun ka nu meser teu beda-beda. Barista oge kedah paham cara ngajalankeun mesin kopi anu hargana awis pisan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2352", "text": "Salaku léngkah munggaran, anjeun kedah ngarencanakeun pangwangunan bumi sacara lengkep sareng detil.\r\n1. Anjeun kudu ngitung sabaraha duit bakal spent, ngitung ukuran wangunan, milih bahan dipaké.\r\nTeras pilih tukang anu leres, pikeun nargétkeun parantosan pangwangunan bumi.\r\nAyana rencana ieu jadi kontrol manajemén lamun aya simpangan salila prosés pangwangunan.\r\nContona, rék ngarobah desain imah, sanajan ieu bakal nyieun ngawangun imah leuwih panjang.\r\nAtanapi anjeun badé ngagentos bahan anu rada langkung mahal sanaos ieu ngajantenkeun biaya konstruksi langkung ageung.\r\n2. Milih Desain Minimalis\r\nImah kalayan desain minimalis modern tiasa janten pilihan nalika anjeun ngawangun bumi anjeun nyalira.\r\nDesain ieu masih kasampak modern jeung méwah. Desain teu merlukeun detil desain interior atawa exterior.\r\nPilihan séjén nyaéta desain industri anu booming sapertos kantor, réstoran atanapi kafe.\r\nLantai tiasa tuang semén. Samentara éta, tembok jeung siling bisa ditinggalkeun tanpa moyok.\r\nPikeun milarian inspirasi pikeun desain minimalis modern atanapi desain industrialis, anjeun ngan ukur kedah surfing internét.\r\nAnjeun teu kedah ngaluarkeun artos kanggo desain interior atanapi arsiték pikeun ngawangun bumi.\r\n3. Nangtukeun wangun wangunan\r\nWangun wangunan tangtu mangaruhan kana tingkat kasulitan pangwangunan jeung kabutuhan bahan wangunan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "461", "text": "Baheula pas samemeh kuliah urang pernah jadi guru ngaji Alquran di mesjid deukeut imah, urang jadi guru teh lain lantaran bisa, tapi nuluykeun bapa urang nu geus kolot jeung diniatan sabari diajar ngarah beuki nerap. Jadi lamun geus kadenge adzan magrib teh barudak karumpul di buruan mesjid atawa sok pasampeur-sampeur heula nu sejen ngameh daek ngaji. urang ngawurukan ngaji alquran teh teu lila, ngan nepikeun ka Isya. Geus Isya mah kabeh baralik. Biasana ku urang diwuruk saorang-saorang maju kahareupeun urang tuluy dipetel. Geus ngawurukan saorang-saorang tuluy ngaji babarengan, ieu biasana bentukna ngurilingan tuluy maca saain-saain. Oge sok diajarkeun dina papan tulis ngeunaan cara baca alquran.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9503", "text": "Nonton pilem mangrupikeun kagiatan anu pikaresepeun sareng pikaresepeun pikeun seueur jalma. Ku nonton pilem, urang tiasa kahibur ku carita-carita anu dipidangkeun dina layar. Henteu ngan eta, nonton pilem oge tiasa janten cara anu efektif pikeun ngaleungitkeun setres sareng bisa nyieun pikiran jadi euwih santai. Urang bisa diuk dina dipan atawa ranjang bari nyimak pilem keur diputer. Salian ti eta, nonton pilem oge tiasa janten kagiatan anu pikaresepeun dilakukeun bareng jeung kulawarga atawa babaturan. Urang tiasa milih pilem anu cocok jueng dipikaresep ku urang, supaya urang bisa ngarasa kahibur sareng puas saatos nonton pilem. Kalayan sagala rupa genre pilem, urang bisa mendakan pilem anu cocok jeung selera urang. Jadi, menurut kuring nonton pilem mangrupikeun kagiatan anu nyugemakein hate anu tiasa urang lakukeun pikeun ngeusian waktos kosong.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4922", "text": "Tutug oncom mangrupi salah sahiji tuangeun khas daerah Tasikmalaya. Tutug oncom nyaeta tuangeun nu bahan dasarna tina oncom. Tuangeun ieu biasa disayogikeun atanapi dituang ku cara diadukeun kana sangu haneut. Rencang sanguna ngangge cipe (aci tempe), sambel, jeung dadar endog. Tutug oncom biasa oge disebut T.O. Rasana raos kacida, seungit surawung na ngahiliwir, pokokna moal aya nu tiasa nandingan. Pami saderek ngalangkung atanapi ameng ka Tasikmalaya pokokna wajib pisan kangge nyobian tuangeun hiji ieu. Dijamin bakal deudeuieun tur bakal emut wae kana raosna. Komo deui ayeuna mah T.O. aya kemasan instanna, janten tiasa pisan dicacandak ku saderek kangge oleh-oleh atanapi bekel kaluar kota. Ngantosan naon deui, yuk enggal cobian!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9345", "text": "Mibanda babaturan suportip bisa ngajadikeun urang leuwih tahan banting jeung kuat dina ngajalankeun kahirupan urang sapopoé. Malahan babaturan ogé bisa jadi acuan pikeun urang tumuwuh jadi jalma nu hadé. Jadwalkeun waktos khusus salami saminggu pikeun nyéépkeun waktos sareng réréncangan anjeun. Salaku conto, anjeun tiasa nyéépkeun 15 menit unggal Rebo pikeun ngobrol sareng réréncangan. Prioritas silaturahim mangrupikeun léngkah munggaran pikeun ngajaga aranjeunna. Nanging, éta sanés hartosna anjeun ogé henteu ngajaga wates sareng réréncangan anjeun. Pastikeun jadwal anjeun ogé henteu kaganggu nalika anjeun badé ngalakukeun kagiatan sareng réréncangan. Lamun urang sibuk, jujur ​​ngabejaan babaturan urang yen urang teu bisa. Tong nepi ka waktu urang babarengan jeung babaturan jadi teu genah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3844", "text": "Cendol nyaéta salah sahuji inuman tradisional di Indonésia nu paling enak jeung di pika resep ku loba jelema. Cendol asal na di jieun tina tipung béas, daun suji keur nyieun warna héjo bahan - bahan eta di campurkeun terus di asupkeun kana cetakan terus di inum na dicampurkeun jeung santan jeung gula beureum sarta inuman kalawan és pikeun nambahkeun kanikmatan. Céndol mangrupa inuman anu aman ka sagala umur ti barudak leutik, ibu hamil nepi ka kolot lantaran dijieun tina bahan-bahan alami jeung henteu ngagunakeun bahan pengawet sarta pemanis jieunan. Ayeuna oge aya cendol pelangi atawa cendol pelangi warna-warni, inovasi ieu digunakeun sangkan céndol bisa salamet tur tetep dipikaresep tur bisa bersaing jeung inuman viral lianna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7917", "text": "Dina hirup urang teu meunang sangeunahna ka batur lantaran satiap manusa gaduh hak jeung kawajibanna masing-masing anu kedah dihargaan. Urang oge kedah paduli ka tatanggi urang minimal mah anu aya di sabeulah jeung dihareupeun urang. Ulah nepikeun urang teu apal lamun aya tatanggi urang gaduh masalah. Urang kahiji anu ngabantos tatanggi urang lamun gaduh masalah teh nyaeta urang anu pang dekeutna, tapi lain hartina urang kedah nguruskeun masalah batur nepikeun maranehna kaganggu, cekap ku paduli jeung ngabantos lamun sakirana periyogi bantosan urang. Pokona ulah ikut campur ursan batur tapi ulah oge cuek teuing kana masalah batur. Paduli jeung panasaran hungkul teh benten. Bakal karasa saha nu tujuanna ngan panasaran hungkul jeung saha nu hoyong ngabantos. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7024", "text": "Musa mangrupikeun tokoh dina agama Taurat sareng Islam. Numutkeun Taurat, Musa mangrupikeun nabi anu dipilih ku Alloh pikeun mingpin urang Israil ti Mesir. Musa disebutkeun dina Turat beda-beda, tapi anjeunna dipikawanoh ku lolobana Yahudi, Kristen, jeung Islam salaku nabi dikirim ku Allah pikeun ngirimkeun parentah-Na. Musa dipikawanoh pikeun kalungguhanana salaku pamingpin urang Israil jeung salaku pamawa tina parentah Allah nyaeta Taurat. Anjeunna kasohor ku rupa-rupa tongkat sihir sareng mujijat anu dilakukeun ku Gusti ngalangkungan panangan-Na. Musa oge dianggap salah sahiji nu narima wahyu Alloh di Gunung Sinai. Mujijat anu sanesna ti Nabi Musa AS nyaeta anjeunna tiasa meulah Laut Beureum nganggo tongkatna. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5443", "text": "Biasana lau daerah teh sok dijadikeun lagu anak-anak sabab lirikna nu energik jeung babari diinget jeung diapalkeun ku barudak. Lagu daerah nu biasa diapalkeun ku barudak jiga Ampar-Ampar Pisang, Burung Kakaktua, Potong Bebek Angsa, Anak Kambing Saya, jeung sajabana. Baruda biasa nembangkeun nana bari uulinan nu make gerakan, misalna tepukan tangan atawa ngurilingan babaturan nana. Aya oge lagu daerah nu sok dikenalkeun ka baruda lewat kagiatan mepende mun rek sare, jiga misalna lagu Bubuy Bulan jeung sajabana nu boga ritme rada nyelow. Tah ieu jadi bahan alus jang ngalestarikeun lagu daerah, nyaeta lewat kaulinan barudak. Ku kituna, yuk ah urang jieun gerakan tina lagu daerah nu energik supaya bisa diinget ku barudak!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9429", "text": "Wortel mangrupikeun jinis sayuran anu didamel tina akar pepelakan anu disebut Daucus carota. Wortel kasohor warna kulitna oren, tapi aya oge varietas wortel jeung warna kulit lianna, kayaning beureum, bodas jeung koneng. Wortel bentukna panjang. Daging wortel diwangun ku serat anu lembut, kalayan warna anu sami sareng warna kulit. Wortel boga rasa amis atawa rada pait, gumantung kana asak jeung jinisna. Wortel mangrupakeun sumber vitamin A, sarta ngandung sababaraha tipe vitamin, kayaning vitamin C, vitamin K, sarta vitamin B6. Wortel oge ngandung mineral sapertos kalium, kalsium, sareng magnesium. Wortel bisa didahar atah atawa diolah dina rupa-rupa masakan, kayaning sop, salad, atawa diolah jadi jus.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6684", "text": "Sateucan ngangge kompor, jaman baheula masak biasana ngangge hawu lantaran teuacan aya gas elpiji sapertos jaman ayeuna. Kompor jeung gas nembe dipake pas jaman Presiden Susilo Bambang Yudhoyono. Hawu didamel ngangge taneuh liat kanggo ngadamel ruang kanggo suluh supados seneu bisa tahan angin jeung supados aya tempat kanggo nyimpen katel, langseng, jeung dandang. Suluh dihurungkeun make awi jeung minyak taneuh teras dibantosan ku awi panjang nu bolong tengah na ngarah seneu na teu gampang pareum. Hasil babakran tina suluh bakal ngahasilkeun lebu anu warna na hideung. Lebu ternyata tiasa dimangpaatkeun kanggo ngabersihan parabot imah atawa dipake ngabubuy hui jeung sampeu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9425", "text": "Oven listrik nyaeta pakakas anu dipake pikeun masak make listrik minangka sumber panas. Oven listrik biasana diwangun ku dua bagian utama, nyaeta bagian jero (interior) jeung bagian luar (exterior). Bagian jero oven listrik diwangun ku baki oven, nyaeta wadah pikeun masak, heating element, nyaeta bagian anu ngahasilkeun panas, sareng thermostat. Oven listrik oge biasana dilengkepan ku fitur sapertos timer, lampu dina oven, sareng rotisserie atanapi alat pikeun muterkeun daging nu dipanggang. Bagian luar oven listrik diwangun ku panto oven, panel kontrol sareng gagang. Panel kontrol diwangun ku tombol anu dianggo pikeun nyetel suhu, waktos masak sareng fitur-fitur sanes. Oven listrik bisa dipake pikeun masak rupa-rupa kadaharan, kayaning roti, kueh, casseroles, daging, jeung sajabana. Oven listrik oge leuwih efisien ti oven gas sabab teu merlukeun proses pembakaran langsung ngagunakeun seuneu kawas oven gas. Oven listrik oge gampang dina hal pangropéa sareng panggunaanana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4554", "text": "Mangpaat olahraga henteu ngan ukur ningkatkeun kaséhatan fisik, tapi ogé ningkatkeun kualitas kahirupan. Sababaraha di antarana nyaéta ningkatkeun kualitas hirup nyaeta lamun anjeun ngarasa setrés, atanapi dina kualitas hirup goréng saatos dinten anu setrés, leumpang gancang 30 menit atanapi latihan di gim tiasa ngabantosan anjeun ningkatkeun haté anjeun. Latihan tiasa merangsang bahan kimia dina uteuk anu ngajantenkeun anjeun langkung bagja sareng santai, penghilang setrés panaliti ngeunaan épék psikologis tina latihan ngungkabkeun yén éta tiasa ngirangan depresi sareng ningkatkeun kamampuan pikeun ngatasi setrés, kagiatan fisik mangrupikeun cara pikeun nyéépkeun waktos luang kalayan senang. Éta ogé tiasa ngabantosan nguatkeun hubungan sareng kulawarga sareng babaturan nalika ngalakukeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5091", "text": "Mun libur kuliah, abdi sok ngahajakeun jogging di Gor Jati. Jam genep abdi ibak tuluy siap-siap jang jogging. Tos kitu tuluy mapah ka Gor Jati. Sadugina di Gor Jati, urang kedah ngeusian heula daftar hadir. Tos kitu abdi pamanasan heula tuluy langsung we siap-siap kangge jogging. Biasana abdi sok jogging salila satengah jam. Mun tos beres jogging sok dilanjut ku push up, sit up, jeung chinnin up. Geus beres eta sadaya, abdi pendinginan heula bari nyantai. Mun tos beres, langsung we abdi uih deui ka kostan. Di jalan, abdi sok bari meser makanan jang makan siang atawa camilan jang stok di kostan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8039", "text": "Aya sababaraha alesan naha jalma resep jogging. Jogging mangrupikeun cara anu sae pikeun ningkatkeun kasehatan jantung sareng paru-paru, nguatkeun otot suku, sareng ngaduruk kalori pikeun ngabantosan ngajaga beurat sareng ningkatkeun kabugaran fisik. Jogging sacara teratur tiasa ngabantosan ngirangan resiko anjeun panyakit jantung, diabetes, darah tinggi, sareng sababaraha jinis kanker. Jogging oge tiasa ngabantosan ngirangan setres sareng ningkatkeun kasehatan mental. Aktivitas fisik anu teratur tiasa ngabantosan ningkatkeun hate anjeun, nurunkeun tingkat kahariwang anjeun, sareng ngabantosan anjeun langkung rileks sareng tenang. Jogging bisa jadi kagiatan sosial, utamana lamun dipigawe babarengan jeung babaturan atawa kulawarga. Ieu tiasa janten cara anu sae pikeun nyeepkeun waktos sareng jalma anu anjeun pikahoyong, bari oge ningkatkeun kasehatan anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2724", "text": "Olahraga nyaéta kagiatan fisik anu dilaksanakeun pikeun ngajaga kaséhatan sareng nguatkeun otot-otot awak. Latihan mangrupikeun cara alami pikeun ngajaga kaséhatan sareng nyegah panyakit. Panalungtikan ngabuktikeun, aktip unggal poé bisa ngajaga anjeun tina resiko panyakit. Dimimitian ti ieu, latihan bisa dianggap salaku ubar, nu lajeng ngainspirasi lahirna terapi latihan (terapi olahraga). Daniel Landers, profésor pendidikan olahraga ti Arizona State University Daniel Landers, ngungkabkeun mangpaat latihan: Ningkatkeun kamampuan otak: Latihan fisik anu teratur tiasa ningkatkeun konsentrasi, kréativitas, sareng kaséhatan méntal. Ieu kusabab latihan tiasa ningkatkeun jumlah oksigén dina getih sareng ngagancangkeun aliran getih kana uteuk. Ngabantosan ngalambatkeun prosés sepuh: Panaliti nunjukkeun yén latihan saderhana sapertos leumpang sacara teratur tiasa ngabantosan ngirangan turunna mental di awéwé langkung ti 65 taun. Latihan ieu teu kudu dipigawé dina inténsitas tinggi, ngan leumpang sabudeureun imah", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7", "text": "Loba rumah makan anu enak jeung murah di Kota Bandung, salah sahijina nyaeta Rumah Makan Ibu Murni nu aya di jalan Kiaracondong. Pertama kali kadieu apal di Tiktok. Harga na kaasup murah, siga basa eta pesen sangu, daging entog, sate kulit, ngan 27 rebueun. Pelayananna oge someah pisan, pas datang geus dibere cai teh tawar haneut, nu take away oge sok dibere cai teh tawar haneut sabari ngadagoan pesenanna keur di goreng. Mun kadieu pasti pesen bebekna sabab rasana teh gurih asin jeung daging bebekna juicy pisan. Sambel jeung sangu na oge kuring menta nambah kubakat nikmatna, ditambah suasana na nu enakeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1986", "text": "Ker awitan liburan ka kampung teh hape teh tos siaga jang moto naon waé hal-hal anu pikaresepeun anu kuring mendakan di jalan, komo deui leres, tos lami hirup di kota gedé sapertos Jakarta dimana urang ningali macét dimana-mana sareng ampir sesah kéngingkeun oksigen seger sareng jauh tina polusi. Jadi enya kuring keuna pisan liburan teh, jeung ya allah ngarasa bagja pisan tiasa ningali langit ker naek pasawat serius!! Upami nyariossieun, langkung saé dina hawa nalika anjeun dina pesawat langsung foto weh. Haha, loba hal pikareueuseun nu bisa dibayangkeun. Jeung kuring untung deui sabab salila perjalanan kuring papanggih jalma anu ramah tur daék babagi carita. Tah, ari nu ngarana perjalanan teh, pasti loba carita, lain ngan ku urang nganjang ka hiji tempat, tapi kitu teh hartina ngalalana.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5725", "text": "Unggal saminggu teh abdi sok tilu kali ngalaksanakeun workout di imah. Biasana abdi workout teh samemeh angkat damel supaya seger. Abdi biasana workout di teras tukangeun imah. Sakali workout teh sok ngalakukeun sababaraha kombinasi gerakan jiga push up, sit up, plang, jeung sajabana. Mun teu ngalakukeun workout teh sok asa teu geunaheun kana awakna sabab loba daharein nu teu kabuang sampurna tina awak. Mun beres workout teh nembe we abdi bisa sarapan ngangge susu jeung roti supaya teu lapar teuing pas rek indit damelna. Makan sanguna mah sok siang we dijadwal unggal beres sholat lohor. Kagiatan ieu teh rutin pisan dilakukeun ku abdi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "95", "text": "Lamun urang ka tempat tukang dagang seafood biasana urang ninggali heula menu na, terutama saon naon nu dipake jang kana seafood na. Soalna selain tina bahan seafoodna, tapi bumbu nu digunakeun oge boga peran penting jang nangtukeun seafood ngeunah henteuna. Aya sababaraha nu biasa dipesen, siga cumi saos endog asin kusabab teksturna anu geunyal dibanding seafood nu sejenna, tuluy cara masakna teh digoreng atawa ditumis bareng jeung saos endog asin rasana teh jadi pelem. Komo lamun ditambahan kangkung plecing, beuh mantap pisan. Tuluy lamun udang, ngeunahna make saos asam manis, sabab bisa ngaleungitkeun bau hanyir tina udangna. Lamun lauk bakar, saacan didahar teh sok dikucuran heula ku cai jeruk limau ngameh leuwih seger.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1864", "text": "saha nu heuteu nyaho rendang padang miboga ciri tékstur daging anu garing, warnana coklat poék, sarta ngabogaan anu anu kuat. Warna sareng tékstur dicandak tina prosés masak anu panjang nganggo panas anu rendah didinya urang Minang atawa padang miboga nganggo teknik masak lambat dugi caina béak sareng dagingna semu coklat hideung. Janten rendang anu biasa ku urang ayeuna.Sanajan kitu, réndang populér di Malaysia boga penampilan béda ti rendang padang. Sanaos nami sami, rendang ti Malaysia sareng Singapura langkung sapertos kalio, anu bungbuna masih satengah baseuh. Ku kituna, bisa disebutkeun ogé rendang padang mung rendang Malaysia mangrupa dua kadaharan anu béda, sanajan akarna dina tradisi kuliner anu sarua.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5732", "text": "Olahraga sasapedahan teh jadi salah sahiji olahraga anu digemari komo ku nu tos lajeng usia mah. Salian bakal sehat fisik, sasapedahan ge bakal nyieun sehat mental sabab dilakukeunna ge bari rekreasi ningalian lingkungan sakitar anu asri. Samemeh sasapedahan, tong poho lakukeun pamanasan, utamana dina bagean sampean. Geus kitu, pasang pelindung awak, helm, jeung tapping dina sampean supaya teu keram teuing otot. Geus kitu, lakukeun sasapedahan jarak pendek heula, tuluy mun ngarasa geus kuat, tambahan deui jarakna. Mun ditengah sasapedahan, tong hilap eureun heula jang istirahat supaya teu ngedrop. Terus mun geus sasapedahan beres teh luruskeun heula sampean na, tong ditilepkeun. Yuk sasapedahan beh sehat fisik jeung mental!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8814", "text": "Treadmill mangrupakeun alat olahraga anu dipaké pikeun jalan sarta leumpang tanpa kudu gerak. Aya dua rupa treadmill, nyaéta manual jeung listrik. Bagian anu urang napak disebut alas treadmill, dina treadmill manual lamun urang gerak, mangka asal treadmill ogé bakal gerak nurutkeun laju urang. Samentara éta, treadmill listrik ngagunakeun motor salaku penggerakna. Janten urang tiasa nyetél laju, jarak sareng mode nanjak sorangan dumasar kana kahoyong urang. Treadmill listrik gaduh sababaraha tombol pikeun nyaluyukeun laju. Modél treadmill ieu ogé dilengkepan monitor pikeun ngawas denyut jantung urang. Dina bagian motor urang kudu rutin mariksa jeung melumasi supaya teu gancang ruksak, jadi teu anéh lamun harga treadmill listrik leuwih mahal sabab ti mesinna ogé leuwih canggih.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9514", "text": "Nari mangrupikeun hobi anu pikaresepeun pikeun seueur jalma. Salaku oge cara pikeun ngaleupaskeun emosi sareng nganyatakeun diri, nari oge cara anu alus pikeun ngajaga kasehatan fisik. Nalika nari, urang tiasa ngadamel gerakan anu endah bari ngadangukeun musik anu dipikaresep. Seueur jalma oge anu ngarasa bébas sareng hirup nalika nari. Henteu ngan eta, nari oge bisa janten kagiatan anu pikaresepeun sareng kulawarga atanapi babaturan. Urang tiasa milih jinis musik numutkeun karesep urang, supados urang tiasa ngahibur sareng puas saatos nari. Salaku tambahan, nari oge tiasa janten jalan anu alus pikeun ngaleungitkeun setres sareng ningkatkeun mood urang. Janten, upami anjeun milarian hobi anu pikaresepeun sareng nguntungkeun sacara fisik sareng mental, menari tiasa janten pilihan anu pas pikeun anjeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8696", "text": "Tani tiasa janten kagiatan anu pikaresepeun pikeun alesan ieu. Pertanian ngamungkinkeun urang ngarasa sambungan jeung alam, nu bisa nyadiakeun rarasaan tengtrem tur tenang. Miara pepelakan oge tiasa ngabantosan urang ngartos siklus kahirupan sareng peran urang salaku bagian tina alam. Pertanian parantos kabuktian ngabantosan ngirangan setres, kahariwang sareng depresi. Kagiatan ieu oge bisa mere rasa prestasi jeung kasugemaan nalika urang ningali pepelakan urang tumuwuh sarta mekar. Ngebon ngalibatkeun kagiatan fisik anu sehat, sapertos ngabengkokkeun, motong, sareng pruning. Ieu tiasa ngabantosan ningkatkeun kakuatan, kabugaran sareng kalenturan awak. Tani tiasa nyayogikeun pepelakan anu seger sareng sehat, sapertos sayuran, bubuahan, sareng bumbu. Ngembangkeun kadaharan sorangan oge tiasa ngabantosan urang ngirangan pamakean bahan kimia sareng ngamajukeun pola tuang anu langkung sehat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7050", "text": "Infak nyaeta harta kakayaan anu dikaluarkeun ku jalma atawa badan usaha salian ti zakat pikeun kapentingan umum (Numutkeun Undang-Undang Nomer 23 Taun 2011 ngeunaan Pengelolaan Zakat dina BAB I Pasal 1). Infak mangrupakeun amalan anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan sapopoe saurang muslim. Infak asalna tina basa Arab, \"anfaqa\" anu hartina ngabalanjakeun harta atawa mere harta. Sedengkeun, infaq hartina ngaluarkeun harta. Infaq nyatana aya bedeana jeung sedekah, infak sabenerna dikaluarkeun dina bentuk harta atawa materi, sedengkeun sedekah, bisa dilakukeun ku non-kakayaan atawa non-materi. Contona, sedekah bisa dipigawe ku seuri. Hukum ngalakukeun infaq sabenerna sunnah. Nanging, kedah diperhatoskeun deui jinis infaq anu dilaksanakeun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9512", "text": "Hobi nyaeta kagiatan anu dilaksanakeun sacara rutin sarta sukarela, biasana dilakukeun pikeun nyenangkeun diri atawa pikeun ngaronjatkeun kamampuhan dina hiji bidang. Hobi biasana aya hubunganana sareng kagiatan kreatif, olahraga, atanapi kagiatan anu mere kabagjaan ka diri urang. Hobi biasana dipigawe di luar jam gawe atawa sakola, sarta mindeng dipigawe rutin pikeun neangan rasa bagja di luar waktu kasibukan urang. Hobi oge tiasa janten cara pikeun sosialisasi. Kusabab, biasana hobi bisa mawa urang pendak sareng jalma anu gaduh minat sami. Hobi tiasa masihan seueur mangpaat pikeun kasehatan fisik sareng mental, sapertos ngirangan setres, ningkatkeun konsentrasi, sareng ningkatkeun kabagjaan di kahirupan urang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2652", "text": "Tips sarta kumaha carana diajar ngojay pikeun pamual\nIeu kumaha carana diajar ngojay anu tiasa dicobian pikeun pemula.\n\n1. Biasakeun kana cai kolam renang anu deet\nNgabiasakeun di cai mangrupikeun léngkah munggaran anu kedah dilakukeun nalika anjeun diajar ngojay. Metoda ieu basajan. Anjeun tiasa ngamimitian ku nangtung dina kolam renang anu henteu jero teuing, upami anjeun nangtung, suku anjeun masih tiasa noél handapeun kolam renang sareng sirah anjeun henteu lebet kana cai.\n\nSanggeus éta, mimitian submerging beungeut anjeun dina cai bari tetep nangtung. Tahan salila lima detik bari exhaling jero cai, teras angkat beungeut anjeun kaluar tina cai deui. Ieu bakal ngidinan Anjeun pikeun ngarasakeun sensasi engapan di jero cai jeung lalaunan meunang dipaké pikeun mahluk di cai.\n\n2. Mimitian diajar ngambang di cai\nPikeun bisa ngojay, anjeun kudu bisa ngambang dina cai. Kanyataanna, awak urang bakal otomatis bisa ngambang dina cai, tapi kadang sieun ngajadikeun jalma teu wani bener ngaleupaskeun cekelan maranéhanana atawa ngalacak suku maranéhanana ti handap kolam renang.\n\nKu alatan éta, nalika anjeun diajar ngambang, mimitian di kolam renang deet ambéh lamun aya refleks pikeun nangtung sanggeus nyoba ngambang pikeun kahiji kalina, suku anjeun masih bisa ngahontal handap kolam renang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6614", "text": "Di Bandung, aya sajumlah tempat anu terkenal ku seblak. Aya lima tukang jualan seblak anu paling kasohor di Google dumasar nilai (rating) anu paling alus, Anu kahiji Seblak Bewe anu aya di Jl. Japati nilaina opat koma salapan, kadua aya Seblak 40 anu lokasina di Jl. Pajajaran nilaina opat koma dalapan, teras anu katilu nyaeta Seblak Kawani anu lokasina di Jl. Dipatiukur nilaina opat koma tujuh, di posisi kaopat aya Seblak Bunda nu lokasina aya di Jl. H. Kurdi nilaina opat koma genep. Di posisi paneuri aya Seblak Syahrini anu posisina di Jl. Pasundan no. 20 nilaina opat koma opat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "895", "text": "Mun saberes nongton pertandingan teh pasti weh loba sampah berserakan di tempat diuk, ceuk urang mah sampah nu dibawa teh bawa balik deui ka imah, bisa mawa keresek atawa kana kantongkeun mun embung ngingkig ka tempat sampah nu geus disadiakeun mah. Tuh turutan suporter Jepang di piala dunia, sanajan lain manehna nu nyampah, tapi maranehna geus nyadiakeun trashbag anu gede jang ngaberesihkeun tempat nongton saeunggeus pertandingan beres. Mun teu bisa kawas suporter Jepang ge sahenteuna urang ulah miceun sambarangan, sampah nu ku urang bawa kudu dibawa deui ka imah. Jeung mun datang ka stadion teh ulah ngaruksak tempat diuk, urang ninggali loba anu naekan tempat diuk nepikeun ka ruksak bangkuna ku bakat teu kuateun ditincakan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "152", "text": "Basa keur ka Jakarta, urang mampir ka Pantai Indah Kapuk 2 (PIK 2). Tempat nu ku urang tuju nyaeta La Riviera. La Riviera sabenerna mangrupakeun ruko, ngan ku gaya ala-ala Belanda. Komo deui dilengkapan ku kanal atawa walungan di bagian tengahna. Ruko-ruko ku arsitektur khas eropa eta ngantai rapih jeung katinggali instagramable. Ditambah deui ku walungan nu ngabeulah antara dua area ruko jeung jembatan di luhurna. Sabenerna lamun beurang mah biasa wae suasana na, tapi lamun peuting alus pisan. Bakal ningali lampu-lampu nu harurung, nyieun suasana na siga di eropa. Ditambah aya musik-musik ti penjual nu aya di sekitaran ruko. Kudu sadia cai mineral sabab hawa na panas.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8798", "text": "Mangsa Kuring keur budak, kuring resep pisan maen Badminton. Badminton teh mangrupa salah sahiji olahraga anu kasohor ti baheula tepi ka kiwari. Teu di kota teu di desa badminton dipikaresep ku para pamuda. Naon sababna? Badminton gampang dimaenkeuna. Saha bae bisa maen badminton. Alat pikeun maena teu hese diteangan. Keur nepak kok na bisa ku raket. Lamun teu aya raket, bisa diganti ku tutup panci atawa piring seng minangka raketna. Estu, sajaba ti mere manfaat pikeun kasehatan, badminton bisa jadi hiburan pikeun masyarakat di pilemburan mah sabab tempat keur maena ge teu kudu di jero gedong atawa di lapangan anu mewah, tapi cukup ku di lapangan anu sederhana, atawa kebon awi, atawa di tengah sawah anu beres dipanen. Kukituna hayu urang populerkeun deui badminton di kalangan para pamuda jeung pamudi supaya teu kamalinaan jongjon ngalakukeun pagawean anu teu manfaat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2823", "text": "Mobil listrik kurang leuwih sarua jeung mobil cocooan nu make aki waktu leutik, bedana mobil listrik ukuranana leuwih gede jeung fungsina lain ngan maju mundur dina cara “full throttle”. Mobil listrik masih aya transmisi (D gear maju, P parkir oge N netral, posisi na sarua dina shifter, ngan anjeun kudu mencet tombol di luhur shifter lamun hayang. pindah ka nétral, sarta R pikeun ngabalikeun. Sahenteuna éta kasus dina Tesla P75). Tapi béda jeung mobil konvensional, transmisi ieu ngan 1 speed kalawan rasio ampir 1:10 sarta mékanisme béda ti mobil biasa sabab euweuh gearbox konvensional nu bisa nahan torsi 600Nm ti 0Rpm. Gearbox ieu ogé ngirangan rotasi roda sabab motor listrik ogé tiasa muterkeun dugi ka 18.000 Rpm kalayan gampang (bayangkeun kumaha gancangna mobil upami roda muter 18.000 kali per menit). Sanajan kitu, aya kamiripan antara transmisi mobil listrik jeung mobil jeung mesin durukan internal, nyaeta duanana ngagunakeun oli transmisi (lamun teu aya oli transmisi, meureun gearbox pikeun mobil listrik jeung konvensional geus protolled ti mimiti 100 méter). tina nyetir).", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2019", "text": "Lamun lalajo film horor Indonesia atanapi Malaysia pasti aya yen sapertos kanyataan nalika anjeun ningali pilem horor aya anu ngadangu hiji hal atawa mereunan pernah ngarasakeun sorangan da pengalaman mendakan bangsa sejen. Meureun ku sabab ti leuleutik urang geus disuguhkeun kana carita hantu indonesia anu rupana pikasieuneun, jadi otak ieu geus stigma. Tapi pikeun film horor barat, nepi ka ayeuna kuring can pernah ngarasa salah, sabab dina pamanggih kuring, bisa jadi teu aya boneka hantu (Chucky atawa Annabelle cake), meureun ogé alatan film horor teu némbongkeun beungeut pikasieuneun, jadi kuring teu sieun. enya kitu maksudna, keur kuring mah leuwih pikasieuneun kunti tibatan valak", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5864", "text": "Di sakola abdi mah kabutuhan fotografi teh jadi salah sahiji kabutuhan nu teu bisa diengkekeun sabab loba babaturan anu resep fofotoan. Biasana sok ngahaja nyewa kamera mun teu boga mah. Tah sabab abdi kaleresan gaduh kamera DSLR, jadi abdi sok nyewakeun ka babaturan-babaturan abdi. Biasana mun nyewakeun teh sok diitungna minimal sapoe. Komo mun keur aya tugas nyieun film pendek mah, nu nyewa kamera abdi teh meuni ngantre sabab ku butuhna. Soalna biasana mah sok beda harga ai ka babaturan mah sabab sarua apal kabutuhan. Lumayan abdi sok kenging bekel tina nyewakeun kamera teh. Alhamdulillah tiasa kapeser hape tina ladang nyewakeun kamera.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5825", "text": "Unggal dua taun sakali teh pasti we Widi gentos hape. Jigana emang bener teu bisa apik pisan kana hape teh. Basa opat taun katukang mah ganti hape teh pedah batrena tos sering lowbat jeung boros, jadi kapaksa meser deui nu anyar. Tuluy salanjutna teh meuli hape nu leuwih hade, nyobian ganti merk supaya bisa leuwih awet. Tapi angger we pas dua taun deui wae teh kudu ganti deui sabab batre hapena kembung nepi ka case na peupeus. Kamari terakhir nembe pisan Widi ganti hape deui sabab hapena bootlop stuck dina logo. Emang meureun dasar kuduna Widi meseran hape wae unggal dua taun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4079", "text": "Kagiatan rutin keagamaan lamun di agama islam pastina sholat, sholat sapoe aya lima kali nyaeta subuh dzuhur, ashar, magrib jeung isya. Sholat teh kawajiban umat islam. Sholat nyaeta ibadah langsung ka gusti Allah penghambaan jeung rasa syukur ka gusti Allah nu ges maparin sagalana ka kahirupan urang. Sholat oge jadi bentuk komunikasi jeung Allah urang bisa ngadua, ngadu curhat jeung sagalana. Sholat teu asal nu pastina aya syarat sholat supaya sholat jadi sah diantara na kudu bersih, nyaeta beresih tina hadas atawa najis, beresih awak, tempat jeung pakean, sholat nurutkeun waktuna, nutupan aurat, jeung nyanghareup ka kiblat. Sholat aya dua macem nyaeta sholat fardu jeung sholat sunah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7452", "text": "Di jaman ayeuna, radio tos teu janten hiburan utama pikeun masarakat lantaran dianggap bosen kusabab ngan tiasa didangukeun hungkul, teu sapertos tipi anu tiasa ditongton. Radio dina jaman ieu, jaman serba digital ieu, geus kacida majuna nurutkeun jaman. Program anu disayogikeun oge variatif kalayan eusi anu langkung kreatif dumasar kana jaman. Saluran radio oge tos aya di unggal daerah. Radio mimitina ngagunakeun tehnologi analog kalawan anteneu kanggo ngangkep sinyal jeung nganggo batre salaku sumber energi. Saluran radio baheula oge ngan aya sababaraha jinis. Lila-lila, radio mulai nganggo tanaga listrik, malah ayeuna urang tiasa ngadangukeun radio tanpa meriyogikeun make kabel deui. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9396", "text": "Diet karbohidrat mangrupikeun cara anu efektif pikeun ngajaga kasehatan jeung beurat awak ideal. Ngurangan asupan karbohidrat bisa ngurangan resiko panyakit kronis saperti obesitas, diabetes jeung panyakit jantung. Salaku tambahan, diet karbohidrat oge bisa ningkatkeun tingkat energi jeung fokus, tur bisa ningkatkeun kasehatan mental. Nanging, penting pikeun inget yen karbohidrat masih mangrupakeun sumber energi anu penting pikeun awak jeung teu kudu dileungitkeun tina pola dahar sapopoe. Hade pisan mun milih karbohidrat nu kualitas alus kayaning bungbuahan jeung sayuran. Ngurangan karbohidrat nu ngandung gula tinggi saperti sangu bodas oge jadi salah sahiji cara keur ngajalanan diet karbohidrat. Yuk ti ayeuna urang mimitian diet karbohidrat pikeun ngajaga kasehatan awak!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8097", "text": "Irma karak pisan dipangmeulikeun hp anyar ku bapana. Saacanna saleresna Irma menta dipangmeulikeun hp kusabab hp nu lila teu tiasa dianggo deui. Bapakna Irma mangmeulikeun hp merek iphone. Kacida bungahna Irma kusabab manehna loba ngadangu ari iphone teh hp nu awis sareng mewah. Nanging dua bulan make ieu hp, Irma kesel sorangan kusabab ribet pisan upami make hp iphone teu siga hpna nu lila hp android. Manehna teh poho password nanging ribet pisan nguruskeunna. Teras dibandingkeun hpna nu lila batrena teh boros pisan dipikir-pikir mah. Saleresna iphone teh boga kaunggulan sapertos kamerana alus sareng aya gengsina upami make iphone teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5499", "text": "Salah sahiji kampung adat nu kakoncara kamana-mana nyaeta kampung adat Baduy. Masuarakat kampung adat Baduy megang teguh pisan kana kalestarian alam jeung tradisi adatna. Salian eta, Baduy dalam oge nutupan sagala aktivitasna ti dunia luar. Ieu nu ngajadikeun kaunikan jeung daya tarik ieu kampung adat. Salah sahiji tokoh adat Baduy nyaeta Ki Pulung. Dina jaman kiwari, alam wilayah Baduy dirusak ku aktivitas tambang emas ilegal. Hal ieu ngajadikeun Ki Pulung tuluy buru-buru ka pamarentah satempat jang ngabewarakeun karusakan alam di wilayahna. Ki Pulung menta supaya kabeh masyarakat ngahargaan kana kapercayaan nana. Salah sahijina nyaeta ngalestarikeun alam sabab alam teh sumber kahirupan suku Baduy.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "890", "text": "Geus 4 kali urang nongton pertandingan olahraga sacara langsung di stadion. Dua kali nongton mengbal, dua kali deui nongton badminton. Basa nongton mengbal nyaeta pas Persib ngalawan Persija, lapanganna masih keneh di Stadion si Jalak Harupat, mun ayeuna mah di Gelora Bandung lautan Api. Saprak ieu mimiti urang nongton sacara langsung, jadi urang ngajak babaturan nu geus biasa nyetadion. Harita masih keneh SMA, jadi balik sakola teh langsung mangkat ka stadion. Geus nepi stadion tuluy meuli karcis di pintu masuk utara. Di stadion tuluy diuk ninggali pamaen-pamaen nu keur maen, teu jelas siga di TV sih, tapi karasa atmosferna beda mun nongton langsung di stadion mah. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1931", "text": "Kumaha ngabersihan keuyeup sabenerna teu hese, anjeun terang. Ieu léngkah-léngkah anu anjeun tiasa laksanakeun.\r\n1. Kulub saméméh beberesih\r\nLamun meuli keuyeup anu masih hirup, samemeh beberesih, kulub heula keuyeup. Teu lila, ngan samenit tuluy langsung diasupkeun kana wadah cai és pikeun ngeureunkeun prosés masakna. Meuli yuyu hirup kalawan cakar maranéhanana napel bakal nyieun prosés ieu leuwih gampang.\r\n2. Ngabersihan beungeut\r\nSakali keuyeup geus tiis, piceun eta tina mandi cai és jeung garing aranjeunna ngagunakeun anduk kertas atawa lawon beresih lianna. Potong panon, sungut, sareng ujung cangkang anu bergerigi nganggo gunting. Upami gunting anjeun henteu cekap seukeut, anjeun tiasa nganggo péso pikeun motong éta.\r\n3. Leupaskeun cangkang\r\nPikeun nyabut cangkang, tarik ti tukang ka hareup. Nalika dibuka, anjeun bakal ningali organ internal yuyu. Buang sadayana sabab bagian éta henteu pikaresepeun pikeun didahar.\r\nUpami anjeun henteu tiasa terang mana organ sareng mana daging, tingali warnana. Ngabersihan sadaya bagian anu henteu bodas.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5775", "text": "Bulan kamari abdi ngiringan trip ka pulau Seribu. Salila diditu, abdi nyobian nyelam di sababaraha pulau nu jadi rekomendasi spot nyelam. Mimiti samemeh nyelam teh dicek heula kasehatan nana, apakah mumpuni atawa henteu. Mun mumpuni mah kasehatan nana langsung bisa ngiluan nyelam. Sabab pemula pisan, jadi harita abdi nyelam teh kedah didampingi ku guide nu tos professional. Jadi, hiji pengunjung pemula teh wajib didampingi ku saorang guide. Abdi nyelam dugi ka kedalaman dua puluh meter. Loba pamandangan lauk jeung biota laut nu endah pisan. Beres nyelam, abdi tuluy istirahat deui we di penginapan kangge istirahat sabab isukanna teh masih aya jadwal hunting.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8666", "text": "Aya budak ngaranna Aji, ti leuleutik geus babaturan deukeut jeung sobatna, Budi. Aranjeunna tepang di SD sareng ti saprak eta, aranjeunna parantos ngalaksanakeun seueur hal babarengan. Aranjeunna tumuwuh nepi na masih ngajaga silaturahim nutup. Dina hiji poe, Aji ngalaman masalah finansial anu serius. Manéhna ngarasa hanjelu jeung teu nyaho kudu kumaha. Budi manggihan kaayaan sarta tanpa ragu, anjeunna nawiskeun pikeun mantuan anjeunna. Budi nginjeum duit ka Aji teu loba tatanya. Teu lila ti harita, Aji balik deui ka Budi tuluy ngabalikeun duitna kalayan sukur. Budi nolak narima duit deui, cenah ieu hadiah keur babaturan. Aji kacida terharuna ku kalakuan Budi anu bageur, sarta ngarasa sukur boga babaturan anu alus.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6798", "text": "Baheula mah lamun lalajo pelem teh ngan saukur meunang rame atawa teu rame na hungkul. Tapi ayeuna mah janten mulai panasaran kumaha cara na pelem teh bisa jadi alus pisan. Abdi karek apal proses ngadamel pelem teh panjang pisan. Anu pang panjang jeung pang hese na teh nyaeta nyerat naskah pelem lantaran naskah ieu anu bakal nentukeun pelem ieu alur na kumaha, dialog na kumaha, latar na kumaha, konflik na kumaha, jeung sajabana. Jeung anu namina nyerat naskah teh lain hereuy hese na. Urang kedah riset ngeunaan hal anu bakal diserat dina naskah, sanes saukur ngasal, ngalamun jeung ngabayangkeun hungkul.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5834", "text": "Laptop teh jadi salah sahiji barang anu diperlukeun pisan salila perkuliahan. Sagala tugas jeung berkas penting teh pasti we kudu diteundeun ti laptop. Tah, sabab laptopna geus dua tahun rusak, Aldi nyobian ngabenerkeun laptopna ka tukang service laptop nu aya di deukeut kampusna. Aldi indit isuk-isuk bari rek ka kampus jang kuliah. Pas geus disetorkeun ka nu rek menerkeunna, ternyata butuh waktu saminggu jang mastikeun kasadiaan alat jang nyervice laptop Aldi. Aldi tuluy nga oke keun tanpa aya jawaban nanaon, nu penting mah laptopna bisa hurung deui. Geus kitu, Aldi tuluy we indit ka kampus jeung kuliah. Ke we di poe nu geus ditangtukeun bakal neang eta laptopna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3864", "text": "Seblak dahareun simple anu babari di pasak ku sorangan atawa babari oge di beuli ku sabab loba nu dagang na ngalompreh dimana mana. Seblak bisa di panggihan di gang di jero imah imah warga biasana ibu ibu nu ngabuka usaha dagang seblak di lembur, bisa di panggihan di gigireun jalan nu tinu nu dagang boga tempat atawa kios keur ngadahar langsung nepi ka nu jualan di gerobak nu di dorong- dorong nepi ka aya restoran khusus seblak oge jeung ges boga loba cabang. Sakitu kasohorna seblak antara loba nu resepeun utami na anak muda mun jajan kabiasana jajan seblak, eta teh lantaran harga seblak na nu murah bisa ngajangkau jeung rasa na nu enak jeung bisa di berean toping sesuai kahayang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2318", "text": "Umat ​​Hindu percaya yén awak manusa anu geus maot bakal dikremasi anu katelah Ngaben. Ngaben nyaéta prosesi upacara kremasi ku masarakat Hindu di Bali. Aya sababaraha pamadegan ngeunaan harti kecap Ngaben. Aya nu nyebutkeun yén Ngaben asalna tina kecap beya nu hartina bekel. Saterusna, aya anu percaya yén kecap Ngaben asalna tina kecap ngabu atawa jadi lebu. Sajaba ti éta, aya nu nyebutkeun yen kremasi hartina purifikasi ngagunakeun seuneu. Upacara Ngaben nyaéta upacara anu dilaksanakeun pikeun mulangkeun arwah karuhun ka asal-usulna atawa mulangkeun unsur Panca Maha Bhuta ka Gusti/Ida Sang Hyang Widhi Wasa. Dina ajaran Hindu, raga manusa diwangun ku raga halus (roh atawa atma) jeung raga kasar (jasmani). Lamun aya nu maot, ngan nu maot badan kasar, sedengkeun roh henteu, jadi pikeun misahkeun roh jeung badan kotor jeung nyucikeun roh, perlu ngalaksanakeun upacara Ngaben. Pikeun masarakat Bali, Ngaben mangrupa acara anu kacida pentingna sabab ku upacara ieu kulawarga anu ditinggal bisa ngabébaskeun roh almarhum tina beungkeutan dunyawi pikeun lebet ka surga jeung ngadagoan reinkarnasi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7445", "text": "Sairing sareng kamajuan demokrasi jeung kabebasan ekspresi, di taun 1989, pamarentah Indonesia mulai ngaluarkeun ijin pikeun ngadegkeun stasiun televisi swasta. Stasion televisi swasta anu mimiti dibuka nyaeta Rajawali Citra Televisi (RCTI) dina kaping 24 Agustus 1989. Sanajan kitu, hanjakalna siaran RCTI dina waktos eta ngan tiasa ditarima dina wilayah anu kawates, nyaeta kanggo Jabodetabek hungkul. Sanggeus RCTI, karek stasiun televisi swasta sejen mulai muncul, sapertos Surya Citra Televisi (SCTV) taun 1990 jeung Televisi Pendidikan Indonesia (TPI) taun 1991. Siaran nasional RCTI jeung SCTV kakara dimimitian taun 1993. Sataun saterusna, dina taun 1994, muncul ANTeve jeung Indosiar. Dina waktos eta, diperkirakeun parantos aya 11 stasiun televisi anu nyiarkeun sacara nasional, ditambih sarengTrans TV, Global TV, Lativi, Metro TV sareng TV7.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5893", "text": "Hadirna robot dina aspek kahirupan manusa teh dianggap bisa ngabantuan pagawean manusa. Malahan oge bisa dipake jang maturan atawa ngabantuan dina hal diskusi. Tah hadirna robot nu sok dipake dina ngaringankeun pagawean imah jiga robot vacuum, robot pembersih, jeung sajabana teh boga oge dampak negatif nyaeta timbulna rasa hoream dina manusa. Ku sabab sagala rupana bisa dikerjakeun ku robot, jadi manusa sok ngarasa hoream jeung bakal leha-leha dina pagawean nana. Padahal mah teu kudu jiga kitu, angger gawean jeung lobakeun gerak supaya tetep sehat jeung dijauhkeun tina panyakit. Mantakna, yuk ah tong mentang-mentang aya robot jadi hoream jeung ngedul! Angger we kaberesihan mah kedah dijaga wae.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5051", "text": "Barang-barang hotel nu meunang dibawa balik ka imah. Nu kahiji nyaeta sikat gigi jeung odol. Tah sikat gigi jeung odol hotel mah biasana ngan sakali pake, jadi emang disadiaan seueur jeung deuih bisa dibawa balik. Nu kadua nyaeta sabun mandi jeung shampoo. Tah sasabunan nu disadiakeun di hotel ge meunang dibawa balik sabab ngan sakali pake. Tuluy nu katilu nyaeta sendal hotel. Tah ieu barang jadi ciri utama yen jelama eta teh tas ti hotel. Asa ku wajib hukumna sendal hotel dibekel ka imah, asa lebar mun ditinggalkeun teh. Sandal hotel meunang dibawa karena emang dijatahan saurang hiji. Tah sakitu kira-kira barang hotel nu meunang dibekel balik ka imah teh. Kira-kira naon deui nya?!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1922", "text": "Hal pangpentingna dina cara melak cabe ambéh gancang buahan nyaéta kalayan perawatan anu leres. Ieu penting pisan sareng anjeun kedah terang sabab hasilna gumantung kana prosés perawatan anu anjeun laksanakeun. Langkung saé prosés miara éta, langkung saé sareng langkung gancang anjeun tiasa panén cabe.\nDi handap ieu aya katerangan singget ngeunaan miara cabe nu kudu dipilampah: Kahiji, ku cara nyiram sacara rutin, pikeun nyiramkeun supaya cabe bisa gancang buahan, bisa disiram ku cai cuci beas isuk-isuk jeung cai biasa sore. Anjeun oge bisa nambahkeun sababaraha vitamin pikeun nourish cabe ambéh maranéhanana ngahasilkeun buah jeung panén gancang. Sajaba ti éta, anjeun ogé kudu ngalakukeun fértilisasi salajengna, pikeun terus fértilisasi bisa dipigawé unggal 2 minggu. Nalika ngabuahan anjeun ogé kedah nambihan eusi taneuh kana médium penanaman sabab taneuhna bakal salawasna erode sareng prosés nyiram anu anjeun lakukeun. Jaga kabersihan pepelakan cabe supados henteu gampang diserang hama atanapi panyakit pepelakan", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "450", "text": "Idul Fitri nyaeta salah sahiji poe anu disebut oge poe lebaran. Poe ieu diayakeun saenggeus sabulan puasa dina bulan romadon. Biasana di poe ieu oge loba dulur-dulur anu jauh daratang ka imah atawa sabalikna urang nu nganjangan imah-imah dulur atawa tatangga. Ngadatangan ieu jang menta hampura bisi aya kalepatan salila sataun ieu. Keur lebaran oge biasana jalanan rame komo deui lamun menuju ka kuburan, biasana sok dipinuhan ku peziarah nu rek ziarah ka makan kulawargana. Urang jeung kulawarga oge kitu, saberes sholat idul fitri sok langsung ka makam nini jeung aki. Beres tidinya mah lajeng nganjangan dulur-dulur, boh eta dulur ti indung atawa dulur ti bapa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8674", "text": "Jaga hubungan anu hade sareng rerencangan anjeun sabab aranjeunna anu salawasna aya pikeun anjeun nalika anjeun peryogi dukungan. Babaturan mangrupikeun harta anu teu ternilai. Janten, ulah ngantep kahirupan sibuk anjeun ngahalangan hubungan anjeun sareng aranjeunna. Ngabina hubungan anu hade sareng rerencangan tiasa masihan anjeun seueur mangpaat, sapertos dukungan, kapercayaan, sareng kasenangan. Hubungan alus jeung babaturan bisa mantuan Anjeun nungkulan masalah jeung ngarasakeun hirup. Janten, ulah nyerah hubungan alus anjeun sareng aranjeunna. Babaturan anu sae nyaeta rerencangan anu tiasa diandelkeun. Ku alatan eta, jaga hubungan anjeun sareng aranjeunna ku cara ngajaga hubungan sareng ngabagi pangalaman. Inget yen ngajaga hubungan alus jeung babaturan merlukeun usaha jeung perhatian ti duanana pihak.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3987", "text": "Pangalaman liburan di tasik teu pernah ngacewakeun, bahkan ti samemeh nepi ka tasik oge ges nyenangkeun pisan. Lamun ti purwakarta ka tasik naek bes lila na leuwinh kurang 5 jam. Kuring biasa na mun ka tasik naek bes budiman. Jalanan ka tasik teh asa manjakeun mata komo mun ges kaluar ti jalan tol na. Hawa hawa tiis gunung mulai karasa, gigir gigireun jalan harejo ku tantangkalan katuhu kenca kaciri jurang jalanan nana najak mundun bari bulak belok. Jalanan ka tasik emang rada bahaya kacirina tapi ku sabab sopir bes geus biasa jadi nya aman, tapi mun jelema nu mabokan pasti rieut ngaliwatan jalan kieu. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6705", "text": "Keyeup mangrupakeun sasatoan anu hirupna di laut. Warna keyeup biasana bereum, aya oge anu warna na hejo jeung hideung, tapi upami tos dipasak keyeup bakal robah warna na janten bereum. Keyeup aya rupa-rupa jenisna, aya nu capitna panjang-panjang, aya oge anu capitna baradag. Keyeup biasana dipasak make bungbu saos padang atawa bungbu hasem amis. Daging keyeup biasana aya dina capit jeung beteung na anu warna na bodas aya bereum na. Urang kedah ati-ati pas mesek keyeup sabab cangkang keyeup rada sekeut, urang tiasa ngangge capitan atawa alat khusus kanggo ngahancurkeun cangkang keyeup anu bentukna mirip siga gunting tapi bolong di tengah na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5803", "text": "Olahraga teh jadi salah salah sahiji kagiatan penunjang program diet nu paling ampuh. Mun keur ngajalani program diet, dianjurkeun rutin olahraga supaya hasilna maksimal. Nutrisi jeung kandungan gizi nu asup kana tubuh teh dikontrolna tina pola makan jeung menu makanan. Mun olahraga mah peranna ngarobah lemak jadi otot, mantak bentuk awakna bakal seseg jeung keker, moal ngagelambir. Tah jadi diet jeung olahraga teh perpaduan nu pas pisan jang ngabentuk tubuh, oge jang ningkatkeun kasehatan tubuh. Mantak, olahraga teh mangrupakeun hal nu dipandang perlu jang dilakukeun supaya bisa nunjang kasehatan tubuh. Yuk urang rajin olahraga jeung ngatur pola makan supaya bisa maksimalkeun kabaikan tubuh!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3544", "text": "Sababaraha urang nganggap yén gaduh selingkuhan sareng batur sapagawean tiasa nyababkeun masalah. Nanging, dumasar kana survey anu sami, 76 persén pamilon panginten teu aya anu lepat sareng gaduh hubungan romantis sareng batur kerja. Lajeng, 71 persén séjén ngaku yén teu aya lepatna gaduh selingkuhan jeung boss a. Tapi di sisi séjén, roman di gaw dipikawanoh pinuh ku tantangan jeung bisa boga dampak goréng, boh pikeun individu jeung lingkungan kantor. Saloba 67 persén responden ceuk maranéhna terang batur anu miboga hiji selingkuhan jeung ko-pagawe. Sanaos henteu aya pihak anu gaduh hubungan anu komitmen, bobogohan batur sapagawean tiasa nyiptakeun masalah anyar. Sajaba ti éta, aya sababaraha masalah sejenna anu timbul tina asmara di gaw, kayaning penampilan bias ngalawan karyawan ka leungitna produktivitas. 75 persén réspondén nyarios yén roman di tempat damel tiasa nyababkeun bias sareng 74 persén ngaku kaleungitan produktivitas salaku hasilna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2692", "text": "Dina jaman digital, urang tiasa nonton live streaming maén bal online kalayan gampang pisan. Sababaraha situs streaming sareng aplikasi maén bal online akrab pisan, contona situs streaming langsung Vidio, beIN Sports, SBO TV, jsb. Sajaba ti éta, anjeun bisa kalayan gampang meunang loba pilihan aplikasi pikeun lalajo maén bal online.\r\nNgalanggan TV kabel bisa jadi rada mahal pikeun sababaraha urang. Janten tiasa ngaraosan ningali maén bal dina jasa TV kabel sanés pilihan idéal, khususna pikeun anu kantong kedap atanapi anu henteu gaduh televisi.\r\nBéda jeung televisi konvensional anu ngagunakeun frekuensi umum anu disiarkeun ngaliwatan satelit, TV online nyaéta média siaran anu ngagunakeun jaringan internét. Pamor TV online parantos ningkat ti saprak jaringan Internét masif diwangun.\r\nNu matak, ayeuna ampir kabéh stasiun télévisi swasta boga siaran TV online sorangan dina website resmina. Hal ieu ngamungkinkeun anjeun tiasa nonton rupa-rupa program stasiun televisi, sanajan anjeun di luar Indonesia.\r\nNgobrol ngeunaan nonton bal di TV online, tangtu bakal aya patalina jeung kagiatan streaming TV online. Sakumaha ngaranna ngakibatkeun, Anjeun bisa lalajo maén bal online sacara real waktu atawa langsung via live streaming ku ngamangpaatkeun jaringan internét.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7623", "text": "Sacara umum, wirausaha tiasa dibagi janten dua rupi, nyaeta ultra mikro sareng UMKM. Bedana nyeta ngan dina modal awal sareng kauntungan anu dihasilkeun unggal taunna. Tapi lamun numutkeun kana jinisna, wirausaha aya seeur macemna. Aya sababaraha jinis udaha anu tiasa urang cobian. Sateuacan eta urang kedah paham heula naon anu disebut kewirausahaan ngaliwatan hiji carita. Dina hiji poe anu panas, aya hiji aki-aki anu icalan nginuman. Ngan ukur ku duit dua nepikeun tilu rebu maratus urang tos tiasa meunang nginuman anu seger. Aki-aki ieu icalan nginuman kanggo minuhan pangabutuh anjeunna sapopoe. Kagiatan anu dilakukeun ku aki ieu teh tiasa disebut wirausaha.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "120", "text": "Poe Rebo di bulan Juni 2022, urang berangkat ka hotel jang maturan pejabat ti Dikti nu hayang ulin ka tempat anu viral, nyaeta Nimo Highland anu aya di Pangalengan. Harita urang berangkat kana mobil genepan, nyaeta urang, pejabat Dikti, nu opat deui ibu-ibu babaturanna pak pejabat. Nu nyetiranna salah sahiji ibu-ibu da soalna nu lain mah teu bisa nyetir na. Geus tereh nepi ka tempatna di sapanjang jalan teh titinggalian kebon teh nu harejo. Tapi si jalanna masih keur diomean acan di aspal. Ti Bandung ka tempat eta aya meureun kana 2 jam an karek nepi. Padahal lewat tol anu kaluarna ti Soreang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5784", "text": "Poe ayeuna abdi bade jogging ngurilingan Unpad tuluy beresna bakal ka Pasar Unpad. Isuk keneh ngahaja abdi mandi tuluy siap-siap jang indit jogging. Abdi indit jam genep kurang, tuluy nepi ka gerbang Unpad teh jam genep leuwih lima belas menit. Barang nepi ka Unpad, langsung we abdi pemanasan kangge jogging supaya teu keram otot. Geus sapuluh menit jogging, abdi nembe ngurilingan sabagean leutik tina target jarak. Gaue tuluy satengah jam jogging, jol turun hujan girimis. Abdi mimitina mah nuluykeun jogging da hujannaa ge leutik, eh di tengah jalan teh hujanna ngagedean pisan. Kapaksa we abdi eureun heula jogging na tuluy ngiuhan di gazebo nu aya di sisi jalan. Geus hujan na rada raat, nembe we abdi nuluykeun jogging jeung uih ka kostan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6670", "text": "Urang Sunda minengpisan ngolah sampeu janten aneka dahareun, aya nu asin, aya nu amis, aya oge nu lada. Ayeuna uang kenalan sareng dahareun ti singkong anu janten pikaresep sadaya yuswa, comro! Comro alias oncom di jero tiasa dijadikeun camilan anu sehat tapi wareg. Upami bade ngadamel comro nyalira urang kedah marud heula sampeu jeung kalapa. Tong hilap oge ngadamel eusianna nyaeta oncom anu ditumis jeung bawang daun. upami bahan-bahan tos siap ayeuna urang tiasa ngalebetekun comro ka adonan sampeu anu dibentuk baruleud teras digoreng nepika garing luarna tapi asak jero na. Comro paling ngeunah lamun didahar pas masih panas keneh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1594", "text": "Nyiapkeun diri jang kondisi bencana alam penting pisan jang dilakukeun ngarah urang bisa ngurangan resiko cedera atawa kaleungitan nyawa pas aya bencana alam. Di situasi bencana alam oge, penting pisan jang urang tetep tenang jeung boga pikiran anu jernih. Ku nyiapkeun diri anu bener saacanna, urang bisa ngurangan resiko cedera atawa kaleungitan nyawa salila kajadian bencana. Misalna ku mikanyaho jenis bencana alam nu bisa kajadian di daerah urang, urang bisa nyiapkeun stok cai nginum, kadaharan, obat-obatan, jeung perlengkapan pertolongan pertama anu luyu jeung naon kajadian bencana alamna. Keur situasi bencana alam, unggal detik teh berharga pisan. Ku kituna, nyiapkeun diri saacanna bisa mantuan urang jang bertahan dina salamet pas kondisi bencana alam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5079", "text": "Kumpay waterpark, nyaeta salah sahiji wisata mangrupa kolam renang nu legkap fasilitasna. Ti kola gede dugi ka kolam jang budak ge aya, waterboom, poporosotan, jeung sasaungan oge lengkap. Didieu barudak sagala usia ge bisa ngojay, tinggal sasuaikeun jeung jero kolamna. Di sisi kolam ge loba sasaungan, jadi kolot bisa babari ngawasi budakna. Didieu oge dilengkapan ku CCTV, jadi pami aya nanaon teh gampil katingalina. Didieu oge caina sejuk pisan sabab aya di dataran tinggi. Botram kulawarga ge bisa dina gazebo atawa sasaungan nu rada panjang. Kamar mandina oge aya di deukeut unggal kolam, jadi teu kudu ngantri mun rek ganti baju atawa ka cai teh. Ie tempat cocok pisan jang liburan kulawarga mah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4020", "text": "Yowis Ben nyaéta pilem drama-komédi Indonésia anu dirilis dina tanggal 22 Pébruari 2018. Yo wis ben junun meunang sajuta pemirsa lajeng dituluykeun kalawan yowis ben 2 taun 2019 sarta réngsé dina 2021 kalawan siaran Yo wis Ben Finale. Tadina Yo wes ben finale rek tayang langsung di 2020 tapi kahalang ku pandemi corona bioskop tarutup jadi di tunda nepi ka bisa tayang di 2021. Yo wis ben meunang kasuksesan gede sanggeus samemehna diremehkeun jeung ditolak lantaran ngagunakeun basa daerah Jawa lengkep dina eta film nepi ka ahirna manehna bisa ngabuktikeun yen film-film basa daerah oge loba nu nonton jeung meunang jutaan sahingga dituluykeun jadi trilogi yo. geus ben 1, 2 jeung finale.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1846", "text": "Arurang disuguhkeun kadaharan sacara puteran, unggal babak hiji jenis kadaharan anu bisa urang pilih bakal disuguhkeun, unggal jalma meunang hiji piring. Upami hiji jalma hoyong nambihan, sadayana kedah nambihan, teras ménu salajengna bakal dibere.manehna tiasa babagi, tapi ulah aya sisaan. Teu aya watesna sabaraha kali Manehna badé nambihan, tapi aya wates waktos, sakumaha anu kuring émut, 120 menit, alias 2 jam. Diawitan urang dahar gancang. Sanggeus hiji piring, urang bakal kasampak kénca jeung katuhu, lamun sagalana geus rengse, geuwat menta neruskeun babak salajengna. Diteruskeun nepi ka teu apal sabaraha rondena. Saatos 60 menit, beuteung mimiti ngeusian. Kami henteu paduli, dasarna kami kudu ngahontal target minimal Rp 1.000 per sapotong sushi, sanaos dina waktos éta kami yakin moal aya sahiji ge anu nyaho pasti sabaraha potongan sushi anu didahar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6518", "text": "Opat cara nu bisa dilakukeun supaya ngaleungitkeun stres. Nu kahiji nyaeta olahraga. Mun keur stres atawa loba pikiran, biasakeun rutin olahraga. Olahraga teh bisa ngaproduksi hormon endorfin nu berfungsi jang micu rasa bahagia. Nu kadua nyaeta lobakeun ngobrol jeung diskusi. Ngaleungitkeun stres teh bisa ku cara lobakeun ngobrol jeung diskusi supaya pikiran leuwih jernih jeung manggih solusi tina permasalahan. Nu katilu nyaeta nyanyi. Dina elmu psikologi, nyanyi teh dipercaya bisa jadi pengalihan stres nu alus sabab bisa ngaproduksi hormon bahagia. Nu kaopat nyaeta jalan-jalan ka tempat nu asri. Jalan-jalan teh bisa jadi pengalihan stres sabab bisa micu rasa bahagia dina pikiran nu seger.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5810", "text": ".Dina unggal pertandingan arung jeram mah pasti diayakeun sababaraha poe sabab nomor lombana aya opat. Tah, nu nontonna oge bakal seubeuh sabab aya sababaraha poe jang nonton pertandingan, iting-itung hiburan tina rutinitas sapopoe. Mun poe mimiti mah sok digelar persiapan lomba, jadi venue teh sok ditutup aksesna. Mun poe kadua nepi ka poe terakhir mah keur poean lombana ditandingkeun jadi venue bakalan bisa diakses ku penonton nu hayang nyuporteran. Biasana mun hari-hari pertandingan mah sok dibuka venue teh jang pemain oge penonton. Biasana warga sakitaran venue teh sok ngahajakeun nonton pertandingan sabab asa jadi komen langka nu bakal hese deui dipanggihan nana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4928", "text": "Salah sahiji kadaharan cepat saji nu jadi karesep masyarakat Indonesia nyaeta burger. Kadaharan ieu ayeuna tos ngayang dimana-mana sapertos di MCD, KFC, jeung sajabana. Saking larisna ieu burger di Indonesia, seueur oge artis nu muka kedai burger sapertos Fadil Jaidi (Traffic Bun), Denny Sumargo (Burger Bangor), jeung sajabana. Rasana nu pas jeung letah orang Indonesia ngajadikeun ieu kadaharan alternatif ti nuang sangu. Ti mulai murangkalih dugi ka kolot oge cocokeun kana ieu kadaharan. Dibandingkeun jeung hotdog atanapi makanan cepat saji nu sejen, burger leuwih payu jeung leuwih disenengan ku masyarakat Indonesia. Komo deui ayeuna burger lain wae eusina keju, tapi oge aya rasa rendang, rasa gula, jeung sajabana nu jadi terobosan masakan tradisional Indonesia. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "542", "text": "Senjata kujang bagian tungtungna dijieun sarupa jeung anak panah, bagian tonggongna dijieun melengkung, tuluy dina bagian beuteungna aya lengkungan sejen nu nonjol. Dina bilahna aya bagian bolong sarupa mata nu biasa ditutup jeung logam nu boga ajen siga perak atawa emas. Dibandingkeun jeung sababaraha senjata tradisional sejen siga pedang atawa peso, senjata ieu bilahna condong leuwis ipis. Dijieun ku rupa-rupa unsur logam alam, nu matak katinggali siga karya seni. Gagang cecepenganna dijieun kokoh ngameh babari dicepeng jeung digunakeun. Senjata ieu dijieun dina bahan pamor, baja, jeung beusi. Mimitina digunakeun ku kaum patani, tapi ayeuna fungsina jadi robah nyaeta jadi pusaka nu ngalambangkeun kakuatan dewa jeung dewi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5877", "text": "Salah sahiji barang elektronik anu pasti aya di unggal imah teh nyaeta kulkas. Kulkas teh dipake jang nyimpen cadangan dahareun supaya teu gampang basi atawa buruk. Kulkas teh rupa-rupa bentukna, aya nu sapintu jeung dua pintu. Tapi anu biasana dipake ku masyarakat sagala kalangan mah nu satu pintu. Jadi, kulkas satu pintu mah eusina teh sekat-sekat jang neundeun dahareun. Sekat pang lihurna teh freezer anu aya tutupan. Biasana aya oge freezerna nu boga tempat khusus es batu. Dina pantona oge aya sekat wadah minuman jeung wadah endog. Tah warnana teh loba rupana. Mun kulkas dua pintu mah biasana dipake ku para kulawarga berada, sabab hargana ge mahal pisan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2763", "text": "Aya salah sahiji saran jang anjeun, anjeun tiasa meuli laptop gaming urut, tapi kuring teu nyarankeun eta. sabab biasana pamaké nu kahijina resep nyiksa laptop ku maén game sapopoe. béda ti pamaké laptop bisnis kuring disebutkeun di luhur. nu kadang ukur dipaké pikeun muka office jeung word wae sanajan laptop geus dijieun pikeun standar militér. Hanjakalna, ti saprak pandémik ieu, seueur jalma anu milarian laptop pikeun WFH atanapi SFH. sahingga ngabalukarkeun kakurangan barang anyar jeung dipaké. tambah scarcity of chipsets na GPUs nu ceuk meuli up ku jalma anu maénkeun crpyto. dina tungtungna ngabalukarkeun harga laptop anyar jeung dijual deui naék atawa henteu. kumargi kitu pas jang kaayaan ayeuna mah anjeun tiasa neangan laptop nu geus aya wae.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "932", "text": "TV LCD mangrupakeun jenis tv nu geus loba digunakeun ku masarakat. Desain layar dina TV ieu nyaeta datar jeung TV ieu biasa oge digunakeun jang layar komputer. Salah sahiji kaleuwihan dina TV LCD ieu salian ukuranna nu cukup ipis jeung beuratna nu hampang. TV jenis ieu oge ngan ngabutuhkeun daya listrik nu cukup rendah. Kaleuwihan sejenna nyaeta kualitas gambar nu dihasilkeun leuwih alus tibatan jeung TV tabung. Sedengkeun kakuranganna nyaeta view angle na kurang alus di mana kualitas gambar nurun lamun ditinggali tina sudut nu leuwih lega. Harga TV jenis ieu biasana dihargaan leuwih mahal lamun dibandingkeun jeung TV tabung.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3612", "text": "Cara melak paré, nyaéta:\r\n\r\n1. Siapkeun siki paré nu rék dipelak. Sikina béas umumna dipelak 20 poé saméméh penanaman. Pikeun lahan 1400 m² diperlukeun 7 kg siki padi (gandum).\r\nPenanaman tiasa dilakukeun ku mesin tanam atanapi tanaga manusa.\r\n2. Ngabuahan paré dina jam 7 (poé sanggeus penanaman). Tiasa nganggo pupuk starter UREA/ZA/NPK. Butuh sahenteuna 75 Kg pupuk pikeun 1400 m² lahan. Téhnisna tiasa disebarkeun merata di bumi.\r\n3. Ngalaksanakeun fértilisasi kadua dina 15 hst. Pupuk anu dianggo masih sami sareng pupuk anu munggaran. Dosisna nyaéta 100 kg pikeun 1400 m² lahan.\r\n4. Ngalakukeun fértilisasi panungtungan dina 30 - 35 hst. Pupuk anu dianggo tiasa sami sareng pupuk anu munggaran. Tapi upami anjeun tiasa nambihan pupuk tunggal anu ngandung unsur P (Fosfor) atanapi K (Kalium). Dosisna nyaéta 125 kg pikeun 1400 m² lahan.\r\n5. Lamun hayang ngahasilkeun pamotongan maksimum, menyemprot pupuk cair kalawan eusi mikro-gizi rutin. Biasana nalika pepelakan 45, 60 sareng 80 HST. Baca dosis dina labél produk.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8907", "text": "Cara nyupiran mobil listrik pikeun pemula, kahiji hurungkeun heula mesinna ku cara mencét tombol start/stop sakaligus mencet pedal rem. Nalika tombol dipencet, tampilan digital bakal otomatis hurung. Lamun layar digital hurung, éta nunjukkeun yén mobil listrik geus siap pikeun ngajalankeun. Saatos mesin dimimitian, leupaskeun rem leungeun saméméh mindahkeun transmisi jeung nyetir. Nyaéta ku nurunkeun tuas rem leungeun, pastikeun pedal rem mobil kudu dina posisi dimana urang nanjak pikeun nyegah mobil teu gerak. Salajengna nyaéta mindahkeun transmisi ka posisi D. Jadi sanggeus rem leungeun dileupaskeun sarta sakabeh parameter siap, tuas transmisi bisa dipindahkeun ka posisi D atawa mencét tombol transmisi dina posisi D sangkan mobil bisa gerak. Nalika mobil listrik jalan, urang kedah ati-ati nalika urang naékeun pedal gas. Kusabab teu aya rasio transmisi anu ngamungkinkeun mobil gaduh akselerasi instan sahingga tiasa gancang kalayan ngan ukur hiji léngkah. Sangkan aman, pedal gas kudu ditincak lalaunan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3903", "text": "Tukang masak profesional biasa na asal na ti dua sumber, aya nu emang khusus sakolah di SMP atawa SMA na atawa nepi ka kuliah khusus keur jadi tukang masak atawa bisa masak ngeunah gara - gara pangalaman. Lamun ceu ipah ieu mah gara - gara pangalaman, baheula na ceunah ceu ipah teh di gawe di kantin pabrik jadi ges biasa masak loba jeung rupa rupa unggal poe na, geus paham bungbu bungsu masakan jeung perkiraan bahan bahan na. Pagawean ieu emang teu babari kudu kuat pisik pisan jeung mental matakna wajar mun tukang masak di gaji na gede sakali aya hajatan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8795", "text": "Kumaha carana ngajalankeun lumpat jarak pondok atawa ngajalankeun lumpat gancang, nyaeta mimiti posisi sirah jeung beuheung urang kedah santai sarta teuteup fokus ka hareup. Nalika ngajalankeun, ngabengkokkeun siku anjeun dina 90 derajat. Nalika panangan gerak, jaga taktak ajeg sareng santai. Nalika mulai lumpat, angkat tuur hareup jeung ngalempengkeun suku tukang. Pelari jarak pondok nalika lumpat kedah ngangkat pingping sapinuhna kalayan tujuan ngaléngkah anu langkung lega bari ningkatkeun kagancangan lumpat. Posisi anu leres tina suku tukang nalika nyorong tina taneuh dina prinsip dasar lumpat jarak pondok nyaéta najong lempeng. Dina ngajalankeun lumpat jarak pondok, tumpuan kaki aya dina ujung jari kaki.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5087", "text": "Sakapeung abdi sok nonton film di sela-sela kasibukan nugas. Abdi sok nonton film dina hape, ngangge wifi. Film nu sok ditonton ku abdi biasana nu genre action, komedi, atawa fiksi sciense. Tilu genre eta teh jadi paporit pisan. Biasana abdi nonton film bari gogoleran atawa bari nyambi tuang. Rata-rata durasi nontonna nyaeta dua jam nepi ka tilu jam. Seueur pisan elmu nu bisa diarah tina film-film tilu genre eta teh. Kadang mun aya keneh waktu, abdi sok pindah ka luar kamar jang nuluykeun nonton film nu sejena. Abdi nonton film sok kudu aya camilan jeung cai di gigireun nana. Jadi, mun lapar teh tinggal nyemil wae.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "0", "text": "Poe Senen kamari kuring indit ka Lomie jeung babaturan anu tempatna aya di Antapani, indit samemeh magrib katinggali awan rada poek jeung siga nu rek hujan. Kuring sabari ngabonceng babaturan langsung ka tempat tujuan Lomie eta. Sapuluh menit geus nepi tujuan. Untungna si tukang Lomie na acan tutup, tuluy kuring jeung babaturan pesen anu porsina jumbo da kabeneran keur lapar jeung hayang daharan anu haneut-haneut. Saenggeus pesen arurang nungguan heula si tukangna ngajieun, kabeneran pas arurang kadinya rada sepi, tapi aya hiji jelema nu pesen online. Aya kana lima menit nungguan, pesenan arurang rengse dijieun. Kuring langsung dahar ku segut na sabab geus lapar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9485", "text": "Liburan bareng kulawarga mangrupikeun momen anu paling didago-dago unggal taun. Pikeun liburan anu lancar jeung sugema, aya sababaraha hal anu kedah disiapkeun. Pikeun nyiapkeun liburan sareng kulawarga, urang kedah nangtukeun heula tujuan anu bade dianjangan. Urang tiasa nangtukeun tujuan liburan dumasar kana anggaran anu sayogi, waktos anu sayogi, sareng oge kapentingan anggota kulawarga. Salajengna, urang kedah nangtukeun angkutan anu dianggo, naha nganggo pesawat, kareta, atanapi kendaraan pribadi. Urang oge kudu nangtukeun dimana netep salila liburan, naha di hotel, villa, atawa nyewa imah salila liburan. Sanggeus eta, urang oge kudu ngarencanakeun agenda sarta nangtukeun kagiatan nu bakal dilaksanakeun salila libur. Urang oge kudu nyiapkeun kabutuhan dina mangsa liburan, saperti papakean, ubar, jeung barang-barang sejenna. Ku cara nyiapkeun sagala hal ieu, urang bakal siap ngarasakeun senang jeung liburan anu berkesan kalawan kulawarga urang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "474", "text": "Teu kabeh cai bisa dipake jang wudhu. Cai nu dipake wudhu mangrupakeun cari beresih jeung acan kacampur ku zat nu sejen. Aya tujuh rupa cai nu bae dipake wudhu, nyaeta cai hujan, cai walungan, sumber mata air, cai laut, cai sumur, cai embun, jeung cai es. Lamun cai nu ulah dipake jang wudhu nyaeta cai nu teu beresih, cai nu asalna tina tatangkalan atawa buah, cai sesa sato nu haram nu geus diinumna siga anjing, babi. Tuluy aya cai nu geus aya parobahan warna, rasa, jeung bau. Nu terakhit cai nu geus kakeunaan ku getih, cai ompol, atawa sato nu geus maot di jerona.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7380", "text": "Hendra Setiawan nyaeta pamaen badminton Indonesia anu meunang medali emas dina Olimpiade Beijing, Cina taun 2008. Hendra Setiawan mangrupa salah sahiji andalan Indonesia dina kategori ganda putra. Hendra Setiawan dibabarkeun di Pemalang, Jawa Tengah, 25 Agustus 1984. Mimitina mah ngan resep ngabaturan bapana lalajo badminton di lapangan. Beuki lila, anjeunna nyobian maen epekteh anjeunna resep maen bulu tangkis. Anjeunna beuki mineng latian sanajan anjeunna masih leutik. Ku lantaran sering latihan, Hendra Setiawan nyoba-nyoba milu pasanggiri badminton, kaasup olah raga jeung pentas seni di daerah na. Anjeunna oge sababaraha kali juara. Ku lantaran prestasina, anjeunna dipanggil ka pusat pelatihan nasional janten bagian tina tim badminton Indonesia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9509", "text": "Ti leuleutik, kuring resep pisan ngagambar. Nepika ayeuna, ngagambar jadi hobi nu teu lepas di kahirupan kuring. Mimitina kuring hobi ngagambar gara-gara mineng macaan komik nu aya di kamar lanceuk. Ti mimiti eta, kuring sok ngagambar nurutan komik nu kuring baca. Timimiti neplak, nepika akhirna bisa nyieun tokoh sorangan. Kuring paling resep ngagambar adegan pertarungan tokoh. Kuring bisa ngulik leuwih jauh ti mimiti kumaha jurusna, kumaha pose tokoh nu keur ngadu kakuatan, efek kakuatanna, jeung kumaha ekspresi tokoh anu keur bertarung. Nepika ayeuna, gaya ngagambar komik Jepang teu bisa leupas. Gaya eta geus jadi ciri khas kuring. Ngagambar jang kuring geus lain sakadar hobi, ngagambar bisa jadi kagiatan anu jadi cara ngareureuhkeun pikiran tina sagala masalah anu aya di kahirupan sapopoe.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1997", "text": "Kulawarga kuring resep pisan ka pantai. Kusabab urang ogé terang yén sinar panonpoé ngarangsang awak pikeun ngahasilkeun vitamin D, anu penting pikeun kaséhatan. Kakurangan vitamin D bisa ngabalukarkeun abnormalitas dina kalsium, fosfor, jeung métabolisme tulang. Ieu bisa ngakibatkeun kelemahan tulang, turunna dénsitas mineral tulang, osteopenia, osteoporosis komo deformities tulang. Tanpa paparan panonpoé nyukupan, jalma ogé leuwih rentan ka depresi. Ku sabab kitu, teu anéh lamun sakluarga leuwih sering jang rék indit ka pantai ngan pikeun ngajempolan di panonpoé panas. DItambah seueur hal anu tiasa dilakukeun nalika liburan ka pantai, sapertos ngararasakeun kaéndahan laut, ngojay, maén voli pantai, sareng ngalaksanakeun sagala rupa kagiatan olahraga cai.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7046", "text": "Salah sahiji tradisi anu sok aya dina lebaran nyaeta Halalbihalal. Biasana Halalbihalal dilakukeun ku cara nganjang ka tatangga jeung baraya. Dina acara Halalbihalal, sarerea silih hampura jeung sasalaman. Halalbihalal mangrupakeun tradisi anu terus dilakukeun nepi ka jaman ayeuna. Halalbihalal oge geus robah janten acara \"open house\", dimana imah atawa lembaga ngondang jalma pikeun datang silaturahmi. Halalbihalal henteu tiasa ditafsirkeun sacara harfiah hiji-hiji sapertos kecap halal, bi sareng halal. Istilah 'halal' asalna tina kecap 'halla' dina basa Arab, anu gaduh tilu harti, nyaeta halal al-habi (benang nu pagujud kaurai); halla al-maa (cai kiruh anu diendapkeun); jeung halla as-syai (hal anu halal).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5848", "text": "Radio mangrupakeun salah sahiji alat komunikasi nu geus aya ti zaman baheula. Samemeh aya hape, radio geus leuwih heula eksis di masyarakat. Biasana masyarakat ge komunikasi teh liwat radio. Mun hayang request lagu ge bisa dilakukeun tina radio ku cara ngirim sms atawa ngirim pos ka kantor siaran na. Teu jarang oge sok aya kirim salam jeung babaturan atawa sasaorang lewat siaran radio. Pokokna bareto mah program siaran radio teh jadi hiji-hijina hiburan nu bisa diandalkeun. Mun rek ka sawah atawa rek ka kebon ge radio sok dibabawa dipake maturan mun digawe di kebon atawa sawah. Kadang oge sok dipake maturan mun tiiseun di imah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8695", "text": "Pertanian tiasa masihan parasaan anu beda-beda gumantung kana individu anu ngalakukeunana. Tapi, sababaraha urang ngarasa bagja jeung sugema lamun ningali pepelakan anu dipelakna tumuwuh jeung mekar bener. Sababaraha urang ogé mikaresep proses miara pepelakan, sapertos nyiram, ngabuahan, sareng pruning, sabab masihan rasa nyambung ka alam sareng masihan rasa tenang sareng tengtrem. Di sisi sejen, sababaraha urang bisa ngarasa frustasi atawa kuciwa lamun pepelakan maranehanana henteu tumuwuh sakumaha ekspektasi. Ngembang pepelakan oge butuh waktos sareng usaha, sareng panginten peryogi pangropea anu terus-terusan, ku kituna pikeun sababaraha eta tiasa janten padamelan anu susah. Gemblengna, pertanian tiasa janten rarasaan anu positif sareng tiasa janten pangalaman anu mangpaat pikeun kaséhatan mental sareng fisik, khususna pikeun anu milari hubungan sareng alam sareng nyeepkeun waktos di luar.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2776", "text": "Salaku Ibu Rumah Tangga millennials, naon wae kudu praktis, abdi pribadi resep ka mesin cuci 1 tabung muka hareup. Beda sareng adina anu resep 1 tabung kalayan bukaan luhur jeung béda deui sareng ibu jeung mertua kuring anu sami resep mesin cuci 2 tabung. Kusabab kuring geus diusahakeun jang sakabeh tilu mesin cuci ieu, jadi kuring nyoba ngajawab & tangtosna jawaban kuring leuwih condong kana muka hareup 1 mesin cuci tube. Tina segi harga, mesin cuci 1 tabung memang langkung mahal tibatan 2 tabung. Abdi mangrupikeun jinis jalma anu, upami perkawis barang éléktronik, langkung saé mésér anu rada mahal tapi awét & henteu repot. Abdi biasa ngagaleuh mesin cuci kirang langkung 4 juta, merek Sharp. Bu, abdi ngagaleuh mesin cuci kirang langkung 2 juta, anu 50% sahandapeun abdi, salian ti hargana, abdi hoyong pisan mesin cuci ieu ngabantosan & henteu ngaganggu. Janten sadaya anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta nyolok listrik, hurungkeun keran cai, pencét tombol teras garing.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8633", "text": "Rasana hirup sareng pasangan tiasa beda-beda gumantung kana masing-masing pasangan. Nanging, sacara umum, hirup sareng pasangan tiasa nyayogikeun seueur kabagjaan, dukungan, sareng minuhan emosional. Dina kahirupan sareng pasangan anjeun, anjeun gaduh batur anu salawasna aya pikeun marengan anjeun dina kabagjaan sareng kasedih. Anjeun tiasa babagi kabungah jeung kahanjeluan anjeun, manggihan cara pikeun ngarojong hiji sarua sejen, sarta ngalaman momen-momen penting hirup babarengan. Hirup sareng pasangan anjeun oge tiasa janten kakuatan pendorong pikeun kamekaran sareng pamekaran dina hal kabagjaan, kapercayaan, sareng kadewasaan. Di sisi anu sanes, hirup sareng pasangan oge tiasa janten tantangan. Anjeun kedah diajar adaptasi sareng kompromi, ngatur bedana pendapat, sareng ngabereskeun konflik ku cara anu sehat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5890", "text": "Tilu robot anu bisa ngaringankeun pagawean rumah tangga. Nu kahiji nyaeta robot vacuum cleaner. Robot ieu fungsina jang ngaberesihkeun lantai imah ti mimiti mode vacum, sapu, pel, jeung sajabana. Nu kadua nyaeta robotic window cleaner. Robot jenis ieu digunakeun jang ngaberesihkeun jandela utamana bagean luar jandela nu ngahadap langsung ka luar ruangan. Nu aktilu nyaeta robot mopping cleaner. Robot ieu fungsina jang ngepel lantai nepi ka beresih. Tah kahadiran tilu robot ieu teh ngaringankeun pisan pagawean imah, bisa ngahemat waktu jeung tanaga. Cocok pisan jeung nu gaduh kasibukan nepi ka teu kaburu beberes imah. Salian eta, oge leuwih efektif dina segi pengeluaran.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8262", "text": "Reza Nurhilman mangrupikeun nami pamuda di tukangeun produk keripik hui Maicih anu populer. Reza ngamimitian usaha keripik hui ieu dina pertengahan taun 2010 nyalira nalika yuswa 23 taun kalayan modal awal 15 juta rupiah. Pikeun usaha ieu, anjeunna gawe bareng jeung pabrik keripik lokal di Bandung. Reza ngamimitian usahana ku cara ngalakukeun pamasaran basajan, nya eta ngaliwatan platform media sosial, Twitter, samemeh ngalegaan jangjangna ku ngalaksanakeun sistem agen anu ngagunakeun istilah Jendral sangkan produkna tiasa ngahontal khalayak anu leuwih lega. Jendral ieu memasarkeun produkna ku jalan iinditan atanapi nomaden. Pamuda anu lahir di Bandung 28 taun ka tukang ieu ngaku yen konci kasuksesanna aya dina cara pikirna di luar kotak, nya eta ku henteu muka toko kawas kalolobaan anu ngajualna sangkan produkna eksklusif. Ngaliwatan Twitter, para jenderal nyayogikeun inpormasi ngeunaan lokasi penjualan unggal dinten. Metode pamasaran anu cukup unik ieu kabuktian sukses dina ngangkat nami Maicih di alam maya. Ngan dina satengah taun, omzet Maicih bisa ngahontal Rp 7 miliar sabulan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8670", "text": "Sababaraha urang resep gaduh sababaraha babaturan, tapi babaturan anu aranjeunna gaduh nyaeta babaturan anu caket sareng kualitas. Aranjeunna langkung resep gaduh hubungan anu jero sareng bermakna sareng sababaraha urang tibatan gaduh seueur babaturan anu kirang caket sareng bermakna. Jalma anu ngagaduhan seueur tanggung jawab sareng kagiatan dina kahirupanna panginten henteu gaduh waktos cekap pikeun nyambungkeun sareng seueur jalma. Ku alatan eta, maranehna leuwih resep difokuskeun sababaraha hubungan penting jeung teu boga loba babaturan. Tangtosna, milih gaduh sababaraha rerencangan atanapi seueur rerencangan mangrupikeun pilihan pribadi pikeun tiap individu sareng gumantung kana kabutuhan sareng karesep individu. Anu paling penting nyaeta urang ngarasa bagja sareng nyaman dina kahirupan sosial urang sareng ngajalin hubungan anu bermakna sareng jalma-jalma di sabudeureun urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7150", "text": "Pangeran Guruminda ti khayangan turun ka bumi janten Lutung Kasarung, manehna cicing di hutan anu sami jeung Purbasari cicing di dinya. Salila cicing dina hutan, Lutung Kasarung jeung Purbasari janten sobat anu dekeut pisan. Hiji waktos Lutung Kasarung miwarang Purbasari pikeun bebersih dina situ. Teu lila kulit Purbasari janten beresih deui sapertos baheula, manenhna janten geulis deui. Tapi Purbrarang tetep teu narima deui adina ka karajaan. Manehna masihan sababaraha sarat lamun Purbasari hoyong cicing di karajaan deui. Salah sahijina nyeta Purbasari kedah gaduh tunangan, manehna teras mawa Lutung Kasarung janten tunanganna. Ajaibna Lutung Kasarung robah deui janten Pangeran anu kasep.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3908", "text": "Kompor nyaeta parabot atawa alat wajib nu kabeh manusa boga. Sabab ieu alat utama jeung hiji hijina nu bisa ngasakkeun bahan masakan, mun eweh kompor moal bisa masak mun teu bisa masak moal bisa dahar. Jadi kompor parabot penetu, percuma boga katek mun eweh kompor masakan moal asak. Kompor nyaeta alat anu bisa ngahurungkeun seuneu keur ngasakan dahareun. Aya rupa -rupa jenis kompor, aya kompor gas nu biasa batur pake aya kompor sumbu nu make minyak tanah jeung aya kompor listrik. Sakitu loba na jenis kompor tapi tetep sarua fungsi na, beda na ngan dina bahan bakar anu di pake nyaeta gas, minyak tanah jeung listrik", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7360", "text": "Unggal minggon di sakola abdi pasti aya kagiatan senam. Aya sababaraha rupi senam au diajarkeun di sakola, tapi salah sahiji anu paling dipikaresep ku abdi sareng rerencangan di sakola nyaeta senam SKJ. Arurang biasana diajar senam sasarengan pas nuju pelajaran olahraga atawa penjaskes. Senam oge janten salah sahiji kagiata anu dijadikeun ujian penjaskes di sakola. Abdi oge kantos sababaraha kali latihan di bumi nyalira lantaran rumasa teu pati jago kana tatarian. Bakating ku populerna ieu senam di sakola, sakola nepikeun ngayakeun lomba senam di lapang sakola. Abdi paling resep kana senam lantaran urang teu kedah ka mamana, sanajan kesangan, tapi urang teu pati cape lantaran sabari ngadangukeun lagu senam.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1900", "text": "Lebet ka sakola kuliner mangrupikeun pilihan anu saé pikeun seueur koki anu hoyong, sareng éta mangrupikeun pilihan anu saé upami anjeun gaduh waktos sareng artos, tapi éta henteu tiasa diaksés ku sadayana. Di handap ieu aya sababaraha mangpaat indit ka sakola kuliner kumargi, sakola bakal ngajarkeun anjeun téhnik ditangtoskeun, sangkan anjeun teu ngamekarkeun kabiasaan goréng di dapur. ditambah aya fasilitator mangrupikeun sumber anu berharga, sareng aranjeunna berpotensi ngabantosan anjeun nyambungkeun sareng milarian padamelan saatos anjeun lulus. komo deui gaduh latar sakola kuliner tiasa ngabantosan anjeun ngasah rasa sareng diajar rasa mana anu silih pelengkap, salah sahiji deui untungna sababaraha sakola kuliner ngabantosan muridna mendakan magang sareng kasempetan padamelan, muka panto anu henteu sayogi jang karir.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4980", "text": "Zaman ayeuna, loba pisan tempat makan anu anyar. Ku kituna bakal butuh loba pisan chef jang masakna. Tah tidinya katingali yen chef teh bakal jadi pagawean nu peluang na gede. Cara jadi chef oge kudu nempuh sababaraha tahapan. Mun urang hayang jadi chef, mimiti kudu nyandak sakola nu hubungan jeung masak, misalna tata boga. Mun geus lulus, urang kudu nyobaan daftar sertifikasi-sertifikasi chef supaya bisa nunjang karir urang kahareupna. Tos kenging sertifikasi, cobian ayeuna langsung daftar ka restoran atawa perusahaan nu dipikahoyong. Salila diri urang boga kualitas jeung kamampuan dina hal masak, pasti diri urang babari neangan gawe jadi chef na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1859", "text": "Indonésia mangrupa nagara beunghar anu miboga rupa-rupa jeung jutaan wangun kabudayaan. Kabudayaan anu asalna tina hasil kabudayaan rupa-rupa etnis. Salah sahiji kaunikannya nyaéta \"Rendang Daging\" masakan has ti Padang, Sumatera Barat. Gambar rasa masakan anu hiji ieu téh geus napel jeung legendaris dina basa masarakat ti Sabang nepi ka Merauké. Teu hese meunang masakan nu ngeunah jeung gurih, ti réstoran skala badag nepi ka réstoran leutik. Identitas jeung kabudayaan Indonésia geus dipikawanoh di sakuliah dunya. Pantesna pikeun urang Indonesia ngajaga jeung ngalestarikeun kabudayaan anu diwariskeun ti karuhun. Lebetkeun sareng tanamkeun jero pikiran anjeun nilai-nilai anu kuat tina karakter karuhun Indonésia teh beunghar ti dahareuna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8126", "text": "Ardi gaduh hiji hobi Hobina teh nyaeta moto sagala nu manehna tempo. Nanging Ardi menang saran ti rerencanganna upami hoyong moto nu alus make kamera nu sae. Saleresna salila ieu Ardi foto-foto teh make kamera hpna janten kualitas gambarna kirang maksimal. Kusabab hoyong jago dina fotografi, Ardi bebelaan meuli kamera. Nanging nyokot gambar make hp sareng kamera teh benten pisan. Seueur perkawis nu kudu Ardi ngatos di kamera, sapertos ISO, shutter time, white balance jeung sajabana. Kusabab can tiasa manehna nyokot kelas diajar fotografi. Di kelas eta manehna dikenalkeun ku rupa-rupi kamera. Ardi karak nyaho upami kamera teh seueur oge rupina.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6687", "text": "Barudak kuliahan anu cicing di kosan pasti tos teu asing deui jeung mejikom. Nyatana mejikom seeur fungsina teu ngan saukur dipake jang nyangu hungkul, tapi tiasa oge dipake ngagoreng, nyayur, nepikeun nyeupan. Upami bade ngagoreng urang tinggal nuangkeun minyak dina mejikom teras dicolokkeun nepikeun minyakna panas, lamun minyak tos panas urang tiasa ngagoreng tempe, tahu, sosis, nepika hayam. Tong hilap dibulak-balik ngarah asak sadayana. Urang oge tiasa nyayur di mejikom sabari nyeupan. Tinggal ngagolakkeun cai dina mejikom jeung asupkeun bahan-bahan sayuran, sabari ngantosan sayur asak di luhur na urang tiasa nyeupan di wadah palastik anu tos aya sapaket jeung mejikomna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7354", "text": "Basa leutik abdi resep sasapedahan. Asalna mah abdi teh teu tiasa numpak sapeda, tapi ningal rerencangan barisaan naek sapeda andi jadi kabita oge hoyong diajar numpak sapeda. Baheula abdi teu acan gaduh sapeda, matak abdi diajar sapeda di bumi rerencangan. Lamun nuju libur sakola andi resep pisan mondok di bumi rerencangan. Asalna abdi nyobian sapeda, teras dibonceng, teras ditungtun numpak sapeda nepikeun bisa. Abdi diajar ngan sahari, pupuiran di sisi jalan bulak-balik nepi ka lancar ngagoseh. Balik-balik abdi gantian ngabonceng rerencangan kuring. Abdi langsung carita ka mamah jeung bapa yen kuring tos tiasa numpak sapeda roda dua. Abdi oge menge dipangmeserkeun sapeda.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2736", "text": "Di game Total war Shogun 2 tujuanna nyaeta jadi Posisi, Shogun salaku pamimpin sadaya pasukan tempur kakaisaran Jepang mangrupikeun anu diimpikeun ku Daimyo. Upama dibandingkeun, jigana ampir sarua jeung jadi présidén atawa ketua MPR. Kusabab jabatan anu langkung luhur ti Shogun nyaéta kaisar Jepang sareng tempat éta tiasa disaruakeun sareng dewa. Ku alatan éta, Shogun mangrupa posisi pangluhurna pikeun manusa di Jepang dina waktu éta. Éta ogé anu ngajantenkeun posisi Shogun sok kaancam tarung sareng pembunuhan. Sakumaha anu dijelaskeun sateuacana, Daimyo ngagaduhan kamampuan khusus anu ngabédakeun anjeunna sareng Daimyo anu sanés. Contona, anjeun tiasa mendakan Daimyo anu gaduh pamanah anu berpengalaman sareng tiasa ngokolakeun sawah kalayan saé. Aya ogé anu leuwih terampil dina ngatur Ninja pikeun nyerang musuh ngaliwatan battles balik layar. Sadaya kamampuan ieu bakal ngabentuk gaya maén anjeun nalika maén game ieu. Boh dina tempur, politik, ékonomi, sareng wangunan anu aya di propinsi anjeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4594", "text": "Dina dunya pagawean laptop jadi barang pribadi anu pangpentinna,urang lamun di gawe sgalana ngakunakeun laptop rek di perusahaan gede nepi ka tempat usaha anu leutik. Fungsi laptop dna ngaringankeun pagawean loba bisa ti mulai ngagunakeun sistem na, ngajieun sistem na, proses pencatatan, presentasi jtuluy laporan jeung sagala rupana ngagunakeun laptop. Kusaba lamun urang ngarekap make tulis tangan dina buku lila pisan komo lamun data na loba jeung deui aya resiko data leungit, lamun di laptop data kasipen aman. Komo ayeuna jaman digitalisasi laptop henteu ngan di pake penacatatan hungkul tapi bisa ngajieun anu ngarana program, anu leuwih bisa gancang mantuan pagawean. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2809", "text": "Kuring henteu weruh pasti, lamun kahareup karya manusa bakal sagemblengna diganti ku robot atawa henteu, anu jelas yén kiwari teu aya robot anu 100% sarua jeung manusa. Tapi dina pamanggih kuring, robot kudu dipaké pikeun ngaganti peran manusa dina pakasaban-resiko tinggi kayaning pembuangan bom, sweepers tambang, patugas pemadam kebakaran jeung sajabana, disadiakeun yén manusa tetep salaku pihak anu supervises tur kadali aranjeunna. Pikeun jenis pagawean monoton sarta repetitive kayaning juru tikét, kasir, bungkusan jsb meureun enya, tapi manusa bakal tetep boga peran dimana karya maranéhanana kudu dilevel up pikeun leuwih difokuskeun kana monitoring jeung kontrol prosés jeung perbaikan ogé strategis lianna. fungsi nu teu bisa diganti ku mesin atawa robot.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "451", "text": "Idul adha nyaeta salah sahiji poe dina agama Islam. Dina poe ieu sok loba nu meuncit hewan peliharaanna, bisa embe, sapi, jeung sajabana. Matak dina poe ieu teh urang sok kabagi loba daging kurban. Daging kurban ieu mindeng ku urang sate pas peutingna teh jeung kulawarga anu sejen. Tapi mindeng oge pas poean idul adha urang mantuan anu meuncitna, sakapeung mah sok mesetan kulitna ngameh misah jeung dagingna, atawa misahkeun daging jadi sababaraha bagian make bedog ngarah bisa dibagi-bagi ka tatangga nu aya di sabudureun. Urang oge sok mantuan mungkusna jeung nganteurkeun bungkusan nu eusi daging eta ka imah-imah tatangga anu deukeut. Samemehna urang geus nyieun catetan saha wae ngaran-ngaran tatangga nu rek dibagi ngarah henteu aya nu kaliwat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "874", "text": "Mun keur olahraga teh kudu bener-bener, ulah loba heureuy bisina kajadian kawas babaturan urang. Niatna mah heureuy siga nitah najong bola anu geus dieusian keusik, otomatis pinuh tah jeung beurat mun ditajong teh. Babaturan urang geus ancang-ancang rek najong, pas najong eta mah langsung tijolonjong manehanana. Atuh huluna nepikeun ka getihan, bocor saeutik. Nepi dicarekan ku indung bapana tah nu ngaheureuyan teh. Tah dina olahraga mah ulah heureuy kawas kitu teh bisina fatal, sabab urang moal apal kajadian naon nu bakal ngadatangan ka urang. Ku sabab kitu ulah weh bisi kumaha onam karunya ka kolotna mun geus aya kajadian mah. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2674", "text": "Bal bal sepak bola oge henteu ngan ukur dianggo pikeun pertandingan resmi atanapi tujuan latihan, tapi ogé dianggo pikeun jadi ngahias kamar. Bal anu ditandatanganan ku pamaén anu kasohor atanapi réplika bal resmi Piala Dunia bakal nyiptakeun suasana anu béda nalika dipintonkeun di jero ruangan. Sababaraha bal pikeun kempelan hadir sareng wadah bal supados henteu ngagulung nalika disimpen dina lomari atanapi méja. Penampilan bal pikeun kumpulan henteu jauh béda ti bal umumna. Tapi, sababaraha bal koleksi dijieun leuwih leutik batan latihan jeung bal cocog. Bal pikeun koleksi ieu ogé henteu cocog pikeun maén bal janten anjeun henteu kedah dianggo pikeun maén.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7202", "text": "Salian ti janten panjaga jeung penegak ajen-inajen jeung norma-norma anu lumaku di masarakat, pamingpin adat oge boga peran dina ngarengsekeun rupa-rupa pasualan anu lumangsung. Ku lantaran kitu, peran tokoh adat di lingkungan masarakat kacida dibutuhkeun pisan dina ngarojong lumangsungna Pilkada di daerah. Tokoh tradisional Jingitiu, janten gambaran ayana sipat kapamingpinan anu jadi acuan masarakat dina ngawujudkeun harepan jeung kahayang masarakat. Kapamingpinan ieu saterusna jadi panutan, sabab anggota masarakat ngaidentifikasi diri ka pamingpinna, sarta manehna dianggap anu nyambungkeun sadaya aspirasi jeung kahoyong masarakat. Ku nembongkeun sipat kapamingpinan pamingpin adat Jingitiu anu hade, partisipasi pulitik masarakat dina ilubiung dina pesta demokrasi Pilkada jadi leuwih aman, lantaran boga panutan dina nangtukeun calon pamingpin daerah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2335", "text": "Pangalaman pribadi dina kelompok atawa dina hiji organisasi miluan upacara adat, upacara adat di dieu mangrupa upacara has Kabupaten Lebak (Banten) dina ngayakeun pelepasan atawa perpisahan pikeun barudak SD, SMP jeung SMK. Abdi pribadi henteu terang upami abdi ditaros perkawis carita upacara adat ieu, tapi tadina abdi ngahadiran upacara adat ieu waktos abdi SMP. Basa kuring kelas 1 SMP, kuring masih inget yen poe kemis kira-kira jam 9 isuk-isuk kuring keur latihan komputer di lab. Dina waktos éta guru seni budaya mah nuju peryogi murid-murid kanggo ngiring ilubiung dina ieu upacara adat kanggo ngalajengkeun pelepasan upacara adat kelas 3. teras ujug-ujug ditelepon sareng kalebet. Satemenna ti leuleutik kuring geus resep kana kasenian, boh seni lukis, silat, tari jeung sajabana. tapi panginten dina waktos éta, kuring rada males milu dina acara éta kusabab sieun ngaganggu kagiatan diajar, tapi kusabab guru kuring peryogi pisan murid anu cocog, kuring resep milu. harita kuring diangkat jadi payung adat, ku alesan kuring rada jangkung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2254", "text": "Oh enya, di Indonesia sorangan aya tokoh agama anu bener-bener dipikameumeut ku kuring, para pemuka agama anu terbuka pikiranana, toleran pisan, jeung gagah pisan pikeun ngiritik diri jeung ngalawan bijil sanajan ti sasama pengikut agama maranéhanana. Anjeunna kantos nyobian ngalempengkeun sajarah pembantaian PKI, anjeunna nyobian ngaleungitkeun diskriminasi ka hiji etnis di Indonesia, nyobian ngabéréskeun konflik Papua ku cara mulangkeun harkat masarakatna, nyobian ngabina toleransi saatos karusuhan etnis sareng agama di Indonesia, malikkeun stabilitas ékonomi jeung pulitik sanggeus krisis. Ieu éra jalma alus teu merta boga tuah alus. Anjeunna difitnah dina kasus korupsi anu henteu kantos kabuktosan teras diturunkeun tina jabatanna dina penghinaan nu teu ka bukti. Tangtosna dina waktos éta aya jalma anu siap pikeun membela anjeunna sadayana kaluar, tapi anjeunna langkung milih masihan sareng nampi kanyataan politik pikeun ngajaga stabilitas kaamanan. Enya, sabab anjeunna tokoh agama oge tokoh politik. Anjeunna salah sahiji urut présidén Indonésia, nyaéta K.H. Abdurrahman Wahid alias Gus Dur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5507", "text": "Sate maranggi teh jadi salah sahiji tuangeun khas daerah Purwakarta. Sate maranggi boga kaunikanna sorangan nu beda jeung sate sejen. Mun biasana sate sejen dibumbuan make bumbu kacang, tah sate maranggi mah cukup ku dibumbuan make kecap nu dicampur jeung bumbu rahasia. Sate maranggi biasana dijieun tina sapi jeung kambing atawa domba. Unggal tusukna sok diselingan ku gajih jeing daging. Sate maranggi disajikeunna ngangge kecap hungkul tanpa bumbu kacang sabab satena hungkul ge tos aya rasaan. Nu jadi ciri khas sate maranggi nyaeta cara nuangna nu langsung dipayuneun nu meuleumna. Cara nuang ieu teh ngan tiasa dipanggihan di Plered, Purwakarta. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3629", "text": "Aya anu dirampok. Waktu keur kuliah, kabeneran balik ka imah kuring naek angkutan umum anu nuju ka terminal Rawa Mangun tuluy diteruskeun ku naek angkot. Tah, dina beus ieu aya ibu-ibu nu naek bareng. Dibaju bungah, ku gelang emas jeung kalung emas lumayan loba. Kusabab capé, kuring teu merhatikeun. Di jalan, aya sababaraha lalaki anu katingalina normal tapi teu lami nyandak péso sareng ngarampok indungna. Abdi kaget tapi teu tiasa ngalakukeun nanaon pikeun ngabantosan. Leungeun kuring otomatis nahan kantong dina pingping kuring. Teu nanaon, didinya aya biaya SPP. Abdi henteu acan gaduh waktos setor. Tapi perhatian maranéhanana henteu ka kuring. Nu aya di gigireun kuring (golonganna oge) nanya ka kuring, \"Aya HP, Dek?\" Kuring unggeuk tapi ngajawab, \"Heueuh. Keur kuliah, Bang.\" manéhna seuri. \"Oh,\" pokna, \"Muhun, muhun, anjeun kuliah. Miskin Ladies jeung gentlemen.\" Waktu ditanya ku baturna waktu turun di tengah jalan naha teu nyokot HP kuring, manehna ngajawab, \"Sakelas abdi ti SMA. Duka teuing.\" Anjeunna oge kagungan kasempetan pikeun megatkeun up kalawan kuring saméméh ngiles nuju rel karéta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "472", "text": "Lamun wudhu biasana urang sok ngalipetkeun baju nepikeun ka taktak ngameh teu kakeunaan ku cai. Tuluy dua leungeun dikahareupkeun kana cai nu keur ngagolontor dina keran sabari maca doa. Mimiti kekemu heula tilu kali sakalian diberesihkeun bisi aya sesa dahareun nu nyangsang dina huntu. Terus geus kitu ramo bagian curuk jeung indung ramo ngaberesihan irung sabari dikorowekan ngarah beresih. Geus kitu ngusap beungeut sabari niat wudhu. Tuluy dua leungeun dikumbah oge, tapi gantian hiji-hiji sok dimimitikeun nu katuhu heula terus kenca. Geus kitu buuk sok diusap ku dua leungeun nepikeun ka bagian buuk anu pangtukangna. Tuluy ceuli duanana diusap babarengan. Terakhir ngumbah suku duanana bari maca doa beres wudhu.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9349", "text": "Miara sato sapertos anjing sareng ucing ogé dipercaya janten cara anu efektif pikeun ngaleungitkeun setrés. Pungsi piaraan salaku 'obat stres' sabab interaksi jeung sato ieu bisa nyieun awak ngaleupaskeun hormon oksitosin, atawa nu biasa urang kenal salaku 'hormon cinta'. Anjing jeung ucing teh mangrupa média pikeun manusa pikeun ngébréhkeun sagala rupa kaasih, contona nalika ngusapan atawa nangkeup maranéhna. Urang tiasa ulin sareng aranjeunna, nyandak aranjeunna jalan-jalan, atanapi ngan ukur nyéépkeun waktos di bumi santai-santai sareng aranjeunna. Kagiatan ieu lajeng ogé micu kanaékan tingkat dopamin jeung serotonin, anu dina gilirannana ngajadikeun awak leuwih santai. Teu anéh, dua sato ieu mindeng dijuluki 'babaturan manusa'.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8876", "text": "Urang sakumna tos pada terang nu namina mesin cuci. Mesin cuci teh salah sahiji alat elektronik rumah tangga anu kacida pisan ageung manfaatna pikeun urang utamina para ibu rumah tangga. Naon margina? Luyu sareng namina, 'mesin cuci' ngabogaan fungsi pikeun nyeuseh rupa-rupa pakean. Sanes ukur ngagiles tur ngabilas, tapi dugi ka ngeringkeuna ge tiasa dipidamel ku mesin cuci. Dumasar kana hal eta, estu ibu-ibu kabantos pisan dina ngalakukeun salah sahiji kawajibana ku ayana mesin cuci teh. Kauntungan nyeseuh ngagunakeun mesin cuci teh seueur pisan. Nu kahiji, hemat waktu. Nyeuseh bisa leuwih gancang lamun nganggo mesin cuci. Nu kadua, hemat tanaga, sabab nyeuseh na make mesin nu make daya listrik. Nu katilu, nyeuseh ku mesin cuci bisa bari ngalakukeun pagawean sejena, misalnya bari masak atawa gegeroh. Kukituna, kanggo para ibu rumah tangga hayu urang nyeuseh ngagunakeun mesin cuci supaya loba hal sejenna anu bisa dilakukan ku urang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2348", "text": "Susunan imah toraja disusun sangkan ngagampangkeun palaksanaan ritual anu aya dina tata susunan sajian anu nuturkeun arah Wetan-Kulon nurutkeun kapercayaan Aluk Todolo.\ndigambarkeun perwujudan kapercayaan Aluk Todolo dina unggal rohangan jero Tongkonan: Beulah kalér Tongkonan disebut lulugu dunya atawa beungeut para raja. Bagian ieu dikonotasi salaku hulu, hareup, juragan, bagian anu dipikahormat, sareng dianggap tempat suci tempat Puang Matua cicing ogé tempat dewa asup ka bumi. Wewengkon ieu aya di payuneun Tongkonan sareng dina ngalaksanakeun fungsi ritual minangka upacara sesajen sareng pamujaan pikeun Puang Matua.\nBeulah kidul disebut buntut dunya dikonotasikeun salaku suku, bawahan, buntut, pangikut jeung tempat kotor. Di beulah kidul, aya alam Puya tempat arwah jalma anu tilar dunya sarta dijaga ku Pong Lalondong. Bagian ieu dijadikeun kamar tidur anggota kulawarga dimana posisi sirah numutkeun kayakinan kudu nyanghareup ka kalér pikeun meunang berkah ti Puang Matua pikeun nyingkahan sagala rupa panyakit.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4104", "text": "Nabi Musa 'alaihis salam kaasup turunan Israil (Ya'qub). Dina loba tempat dina Qur'an Allah ngabejaan ngeunaan Musa 'alaihis salam jeung bani Israil. Malah sabagian ulama nyebutkeun Qur'an pinuh ku carita Musa jeung Bani Israil. Di antarana dina surat Al Qashash Allah ngadawuh ti mimiti nepi ka ampir ahir surat: “Thaa Siin Miim\". Ieu ayat-ayat Kitab (Al Qur'an) anu jelas (ti Allah). Kami macakeun ka anjeun sabagian carita Musa jeung Fir'aun anu bener pikeun jalma-jalma anu iman jeung saterusna. Dimimitian ti mimiti carita nalika anjeunna orok Musa dikumbah ka walungan lajeng digedékeun ku pamajikan Fir'aun (QS. Al Qashash 7-13), carita Nabi Musa kaluar ti Mesir lajeng papanggih jeung Nabi Syuaib. QS. Al Qashash 14-28), diangkat jadi Nabi sarta balik deui ka Mesir da'wah ka Fir'aun jeung kaomna (29-42). Kaasup carita Qorun (QS. AL Qashash 76-83) jeung sajabana.Allah ogé ngadawuh ngeunaan Musa jeung Bani Israil anu salamet meuntas laut sedengkeun Fir'aun jeung bala tentarana anu ngudag maranehna tilelep (Tingali QS. Yunus 90-92, Asy Syu'ara '52-68, jeung Adh Dhukhan 17-33), carita Bani Israil asup ka baitul maqdis (QS. Al Maidah 20-26, Al Baqarah 40-66), meuncit sapi (Al Baqarah 67-74), carita Musa diajar ti Khidhir (QS. Al Kahfi 60-82), jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2701", "text": "Rafting atawa arung jeram nyaéta kagiatan nyebrang hiji walungan kalayan arus anu cukup gancang maké parahu karét anu dilaksanakeun ku dua urang atawa leuwih. Arung jeram bisa disebutkeun mangrupa kagiatan anu nangtang, sabab resikona cukup luhur. Teu ilahar pikeun pemula mikir dua kali pikeun nyobaan arung jeram, sabab sieun kapal pangalusna atawa kasapu ku arus. Tapi anjeun teu kedah hariwang sareng sieun teuing, salami persiapan anjeun parantos réngsé.\n1. Nangtukeun lokasi anu cocog sareng kamampuan sareng kesiapan anjeun\nHal kahiji anjeun kudu nyiapkeun lokasi atawa walungan dimana anjeun bade ngalakukeun arung jeram. Sabab unggal walungan boga karakter jeung tingkat kasusah sorangan.\n2. Nyiapkeun baju, jaket pelampung, jeung helm\nHal salajengna anu teu kurang pentingna nyaéta papakéan sareng peralatan anu kedah anjeun pake nalika maén arung jeram. Anjeun pisan discouraged maké jeans atawa kaos oblong sabab bakal beurat jeung panas lamun kakeunaan cai jeung paparan panonpoé.\n", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4135", "text": "Harti lebaran bisa ditilik tina asal kecapna.Lebaran miboga lima sinonim, nyaéta lebaran, luber, labur, lebur, jeung liburan.Liburan ieu ogé mangrupikeun dinten kameunangan dimana umat Islam ngagungkeun ku cara mulang \"buka puasa\" atanapi tuang. Éta sababna salah sahiji sunnah saméméh ngalaksanakeun solat Idul Fitri nyaéta dahar atawa nginum sanajan saeutik. Ieu nunjukkeun yen Idul Fitri 1 Syawal teh waktuna buka puasa jeung diharamkeun puasa. Sering kali, loba jalma lulled ku harti Idul Fitri. Teu saeutik jalma nu meuli baju atawa barang anyar atawa nyadiakeun loba dahareun. Mémang, teu aya anu lepat. Nanging, urang salaku umat Islam teu kedah ngagede-gedekeun. Sanajan kitu, sagala kaleuwihan teu alus. Ku sabab kitu, penting pikeun urang nganggap Idul Fitri sacara serius. Ieu sanés ngeunaan sabaraha tuangeun anu urang gaduh dina liburan ieu, tapi sabaraha bantosan anu urang pasihan ka jalma anu kakurangan. \"Idul Fitri mangrupikeun waktos kanggo ningkatkeun, ngahampura sareng muhasabah. Wilujeng miéling dinten Fitri. Hayu urang jadikeun momentum dinten kameunangan ieu kanggo janten jalmi anu langkung hadé dina ta'at.\"", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5082", "text": "Liburan sederhana nu paling berkesan nyaeta ka Pasar Unpad (Paun) jeung mamah. Harita poe Sabtu, mamah datang ka kostan ngahajakeun hayang ameng ka Paun poe mingguna. Ah ku abdi teh diturutan we da iraha deui mamah bakal kadieu. Tah poe Minggu isuk, abdi jeung mamah jam 6 tos mulai mapah ka Paun. Jarakna nu jah jadi sabarabaraha kali eureun di tengah jalan. Karunya mamah capeeun. Tos dugi di Paun teh mamah kalap, koat sakala rupi dipeser, da meureun dua iraha deui bisa ka Paun. Ku abdi dilakonan we sagala kahoyong mamah. Meskipun sederhana ngan ka Pan, tapi rasana atoh pisan bisa ngajak mamah jajan ka tempat nu murah kieu. Tah baraya, ngabahagiakeun kolot mah teu kudu nu mal, nu mirah ge asalkeun berkesan jeung bungah!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3919", "text": "Tomat mangrupakeun pepelakan anu unik, bisa digolongkeun kana buah atawa sayuran sakaligus. Rasa tomat amis seger kadang hambar. Gara - gara éta, tomat loba diolah jadi macem - macem masakanan saperti di jadikeun campurna di soto, di campurkeun ka tumisan jeung sajabana jeung bisa oge di jieun minuman nu seger tur sehat bisa jadi jus tomat, jeung minuman lianna bisa oge di jadikeun dina campran bahan ngajieun saos cabe, bahan pelengkap lamun ngadahar mie ,bisa di jieun cemilan rojak tomat nepi ka manisan tomat anu bisa digolongkeun pengawetan jeung bisa jadi cemilan.Tapi kalemahanana nyaeta tomat ngabogaan aroma has anu teu kabeh jalma resep. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2718", "text": "Aya rupa-rupa mangpaat olahraga anu tiasa dirasakeun boh dina jangka pondok sareng jangka panjang. Henteu ngan ukur mangpaat pikeun kaséhatan fisik, olahraga ogé tiasa ningkatkeun kualitas kahirupan.\r\nKu latihan rutin, anjeun tiasa langsung meunang loba mangpaat olahraga. Sajaba ti éta, aya ogé loba mangpaat olahraga nu bisa Anjeun meunangkeun engké dina jangka panjang. Olahraga mangrupa gerakan awak anu boga pangaruh kana awak sakabéhna. Latihan, sapertos leumpang, lumpat, nari, ngojay atanapi yoga, ngarangsang otot sareng sagala rupa bagian awak pikeun gerak.\r\nLatihan nyaéta ubar mujijat anu gampang anjeun kéngingkeun tanpa biaya anu mahal, tapi sering diabaikan, nyababkeun sagala rupa keluhan kaséhatan. Sanajan kitu, éta pernah telat pikeun ngamimitian latihan. Henteu paduli umur anjeun, bukti ilmiah ngabuktikeun yén kagiatan fisik tiasa ngajantenkeun anjeun langkung séhat sareng bahagia. Panalungtikan malah ngabuktikeun yén gaya hirup sedentary leuwih ngabahayakeun pikeun kaséhatan ti obesitas.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1624", "text": "Hirup di pedesaan leuwih kajangkau tibatan cicing di kota-kota gede. Lantaran loba jelema nu hirup di desa mibogaan pagawean sampingan, nyaeta tatanen. Jadi, mun saukur jang dahar sayur atawa bumbu, biasana batur bakal ngagunakeun hasil penen sorangan. Pastina ieu bakal hemat. Komo mun urang hayang dahar sayur atawa buah-buahan, urang tinggal metik langsung di kebon. Salian lingkunganna anu asri, masarakat di desa oge someah. Ieu kanyamanan nu langka mun di kota mah. Masarakat nu someah can tangtu aya di kota anu lolobana mah masarakatna ti pendatang daerah nu sejen. Beda jeung di desa anu masarakatna teh turun temurun netep di daerah eta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4479", "text": "Olahraga ringan anu babari di lakukeun sejena Sit up, olahraga anu serig di lakukeun ku urang. Sit up nyaéta salah sahiji latihan dasar kalayan gerakan anu museurkeun kana beuteng sareng imbit. Sajaba ti éta, gerakan sit-up ogé idéntik jeung awak anu dina tonggong jeung posisi tuur diarahkeun ka luhur. Téhnik latihan ieu sabenerna boga tujuan pikeun nguatkeun otot beuteung. Lamun otot beuteng kuat,bisa ngajadikeun beuteng urang leutik. Sit up salaku latihan fisik anu tiasa nyepetkeun métabolisme lemak dina beuteung pikeun ngatasi keluhan kaleuwihan kuriling beuteung. Bisa disebutkeun yén sit up mangrupa latihan kontraksi otot isometric kalawan posisi awal sit up nyaeta berbaring.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1960", "text": "Tempat wisata anu viral jeung instagramable di Majalengka, Kacamatan Sindangwangi, Kabupatén Majalengka, ogé mibanda pamandangan alam anu teu kalah matak pikabitaeun. Salah sahiji lokasi anu teu kedah anjeun sono nyaéta Ciboer Pass anu nawiskeun anjeun pamandangan sawah terasering. Malah pamandanganana teu kalah endah batan Teras Panyaweuyan Argapura, tapi bisa disebutkeun Ciboer Pass versi anu leuwih leutik. Ciboer Pass mangrupa spot poto anu cukup hitut di wewengkon Sindangwangi, Majalengka anu masih terus ngaronjatkeun fasilitasna nepi ka ayeuna. Mimitina, Ciboer Pass ngan ukur tempat nongkrong biasa anu diburu sabab bisa dijadikeun backdrop pikeun motret. Leuwih waktos, tempat ieu malah beuki populer di kalangan wisatawan. Éta sababna fasilitas di éta tempat ogé leuwih dilengkepan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4126", "text": "Rezeki anu urang beunangkeun teu sakabehna milik urang tapi aya rezeki batur di jerona, ungkapan eta geus teu aneh di denge lamun keur ngadengekeun khotbah atawa ceramah boh di tv atawa langsung. Rezeki teh ngan saukur duit tapi oge napas, kasehatan jeung sajabana. Urang wajib kudu jadi kaya matakna aya papatah bekerja lah seakan kamu akan mati besok, urang kudu rajin gawe supaya urang bisa meunag rezeki tuluy urang bisa jadi kaya. Tapi kakayaan eta ulah di dahar ku sorangan, urang kudu berbagi ka nu kurang mampu. Konsep berbagi tina agama islam mah aneh lamun urang loba sedekah babagi jeung sajabana ka batur urang bakal meunag rezeki anu leuwih loba. Allah bakal ngagantina berkali kali lipetna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7179", "text": "Karinding numutkeun basa Sunda diwangun ku kecap 'ka ra da hyang' nu hartina dibarengan ku do'a ka Nu Maha Kawasa. Aya oge anu hartina 'ka' (sumber) jeung 'rinding' (sora). Jadi hartina sumber sora. Karinding nyaeta pakakas musik khas Jawa Barat anu dijieun tina pelepah daun kawung atawa awi leutik. Cara maenkeun karinding rada unik. Bagean tengah karinding disimpen dina biwir, tuluy ketok tungtung bagean katuhu karinding nepi ka jarum karinding ngageter. Karinding teu ngan saukur pakaks musik hungkul, tapi gaduh filosofi abu hade. Kahiji leuweung larangan nyaeta leuweung salaku sumberdaya, kadua leuweung tutupan nyaeta leuweung salaku cadangan, katilu leuweung baladahan nyaeta leuweung salaku tempat ngebon jeun tani.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2006", "text": "Mumupung aya jam istirahat ti kantor abdi munggaran jang jalan-jalan ka Taman Kota anyar direnovasi, abdi indit ka ka taman teh. Jarak ti kantor rada deukeut. Lamun leumpang meureun ngan 5 menit. Anjog ka Taman Kota, kuring, Mbak Risma jeung Ilham masih nungguan. saleresna mangrupikeun Rumah Sakit. Lajeng engké Rumah Sakit ancur sarta robah jadi taman kota. Baheula, pas lebaran taun kamari, kebonna teu pati alus siga ayeuna. Bédana nyaéta cocooan langkung rupa-rupa, tamanna dilegaan, ditingkatkeun sareng aya ogé kaulinan skuter. Sarta meureun dina sababaraha bulan bakal aya kaulinan anyar sejen sabab ayeuna taman aya jenis arena outbound nu rea ku barudak.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8125", "text": "Upami hoyong praktis sawaktos nyeseh baju mangga anggo mesin cuci. Dina mesin cuci urang tiasa nyeseh sakaligus ngagaringkeun acuk, janten leuwih hemat waktos. Nganggo na ge teu ribet siga nyeseh make lengen. Urang tinggal ngantosan cai minuhan tabung teras tambihan deterjen. Deterjen tos kacampur otomatis kusabab diputer dina jero tabung. Tinggal asupkeun acuk kotor janten antosan nikakeun salse. Upami tos salse cai kotor dina jero tabung otomatis kaluar tur acuk tiasa digaringkeun. Digaringkeunna teu kudu dipoe kusabab tos aya oge mesin nu tiasa ngagaringkeun acuk. Janten leres praktis pisan upami nyeseh nganggo mesin cuci teh urang tinggal ngantosan teras tiasa sakalian gagawe nu sejen.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3837", "text": "Kueh ieu rasana amis kadang sok di taburan seres, bentukna laleutik macem-macem soalna di masak make cetakan. Saha nu teu nyaho kueh cubit? kueh lembut anu boga varian rasa. Dijieunna tina susu jeung tepung tarigu, kuehna mani lembut pisan terus seungit. Kueh ieu wajib pisan di dahar pas keur haneut-haneut, biasana kueh cubit di jual ngider make gerobak. Harga hijina teh sarebu, mun saporsi sapuluh rebu tapi sok di lewihan ku si amang na. Di kota jakarta kueh cubit kadang sok di variasikeun make keju, make susu kental amis, make coklat parut, make seres, kadang sok aya oge anu make selai stoberi, jeung selai nanas. Teu jarang kueh cubit loba peminatna, ti budak letik nepika kolot resepeun ka kueh cubit. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5346", "text": "Unggal poe senen jeung kamis teh abdi sok ngalaksanakeun puasa sunah. Puasa sunah Senen jeung Kamis teh salah sahiji ibadah nu gede pahalana. Biasana abdi gugah samemeh subuh kangge saur. Saurna sok alakadana, kadang mah ngan roti di susuan, supaya aya eusian we. Tuluy sapopoe ngajalankeun aktivitas jiga biasana. Mun menjelang adzan magrib, sok ngahajakuen meser nu seger jiga es jeruk jeung meser tuangeun jang buka puasa. Biasana abdi sok meser hayam geprek atawa nasi padang. Salila ngalakonan puasa ieu teh seueur pisan nu karasa kahadeanana, misalna abdi jadi jauh ti rasa sedih, senantiasa seneng we. Tuluy oge dina kagiatan kuliah alhamdulillah sok asa dimudahkeun sagala urusanna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3584", "text": "Gaduh babaturan mangrupikeun hal anu pangsaéna dina kahirupan. Hanjakal, beuki kolot, beuki hese neangan babaturan sajati. Kadang, aya jalma anu urang anggap babaturan tapi cicingeun menyakiti urang. Lajeng, naon cara pangalusna pikeun meunangkeun sobat pangalusna? Numutkeun kana panilitian anu diterbitkeun dina Journal of Social and Personal Relationships, timing mangrupikeun sadayana. Beuki lila urang nyéépkeun sareng batur, langkung kamungkinan urang ngembangkeun beungkeut anu langkung ketat. Sakumaha dicutat tina halaman The Independent, Jeffrey Hall, profesor komunikasi di Universitas Kansas, parantos ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan silaturahim. Aula examines karya psikolog évolusionér Robin Dunbar, anu ngaklaim aya lapisan silaturahim, sarta wates ka sabaraha jero otak bisa ngatur aranjeunna. Anjeunna nyatakeun yén kalolobaan jalma ngagolongkeun silaturahim kana opat kategori: kenalan, babaturan kasual, babaturan, sareng réréncangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "820", "text": "Olahraga badminton salah sahiji olahraga favorit urang, salah sahiji atlit nu ku urang pikaresep teh nyaeta Anthony Sinisuka Ginting atawa nu biasa dipanggil Ginting. Ginting teh orang Cimahi, Jawa Barat. Bakat Ginting geus katinggali ti keur leutik keneh, sanajan pas masih SD manehna bisa juara kompetisi bulutangkis MILO nomor tunggal putera taun 2008. Pas keur SMP oge, Ginting jadi juara taun 2012. Karierna dimimitian pas taun 2013, jeung maenna beuki berkembang sakumaha waktos lumaku, jeung pangalaman tandingna geus cukup loba. Boh ti kejuaraan nasional nepikeun internasional manehna geus pernah miluan. Ginting jadi salah sahiji atlet nu bisa diandelkeun, kabukti manehna ayeuna aya di pelatnas Cipayung.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5427", "text": "Rumah adat Kalimantan Barat nyaeta rumah Radakng atawa disebut oge rumah panjang. Rumah adat suku Dayak ieu teh gaduh panjang dugi ka 180 meter, leba 30 meter, jeung tinggina 5-8 meter. Tihang penyanggana garede jeung leba pisan. Biasana rumah panjang bisa ampung dugi ka ratusan jalma tina puluhan kepala kulawarga. Bahan bangunan jeung properti imah na didominasi ku kai. Bangunan rumah panjang wajib nyanghareup ka arah matahari terbit. Sapanjang imah dihiasan ku dekorasi jeung lukisan khas adat Dayak. Tangga nu dibangun oge teu sembarangan, jumlahna kudu ganjil sasua aturan adat. Suhunan imahna biasana dijieun tina injuk. Rumah Radakng tos mulai hese ditemui di daerah asalna sorangan sabab pelestarianna nu cukup lamban.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1947", "text": "Goa Lalay aya di Désa Sukadana Kacamatan Argapura. Guha ieu diresmikeun minangka tujuan wisata di Majalengka ti taun 2015. Oké, Goa Lalay. Lalay nyaéta lowo, lowo nyaéta kalong, , anu hartosna guha ieu tempatna rébuan kalong. Sanajan masarakat satempat nganggap angker, pesona Goa Lalay beuki dipikaresep ku para wisatawan, kawas aliran cai anu ngalir ngaliwatan gawirna. Naon masalahna? Kusabab di dieu anjeun kudu nungkulan rébuan kalong jeung droppings maranéhanana. Beuki deukeut ka curug, beuki loba kalong jeung tangtu beuki kokotor, teu pati hawa tiis nu méré kesan nu béda. Anjeun bakal hese pikeun ngawartosan mana anu katabrak ku cai cinyusu sareng mana anu ditetes ku kotoran kalong. Batu-batu anu ku kuring dijadikeun tatapakan jeung pananganana oge pinuh ku kokotor kalong, ti baju kuring nepi ka lénsa kuring ogé teu luput tina kotoran kalong.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7178", "text": "Calung nyaeta alat musik perkusi anu dimaenkeun ku cara ditakol. Alat pikeun nakolna dijieun tina kai atawa iteuk anu geus dilapis ku karet gulungan pikeun ngahasilkeun sora anu henteu pati kasar. Calung dijieunna tina sababaraha lembar awi anu dipotong sarta disusun ngaruntuy. Runtuyan ieu dipisahkeun make gagang anu dijieun tina kai atawa awi. Awi anu dipake biasana awi hideung atawa awi wulung, tapi aya ogé anu make awi ater hejo atawa awi temen. Kawas kalolobaan alat musik tradisional anu sanesna, calung ngagunakeun tangga nada pentatonik \"da-mi-na-ti-la\" di masarakat Sunda. Pikeun Calung Banyumas ngagunakeun nada celendro \"ji-ro-lu-ma-nem\". Aya dua rupa calung anu asalna ti Sunda anu aya di Jawa Barat jeung Jawa Tengah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7648", "text": "Dina dunya bisnis, modal sanes hal utama anu bakal ngajdikeun usaha urang janten untung, masih keneh aya seeur faktor anu sanes anu tiasa ngajadikeun bisnis urang untung. Satiap pangusaha pasti hayang meunang untung anu badag. Sagala upaya dilakukeun sangkan bisnis leutik urang tiasa tumuwuh janten bisnis anu ngahasilkeun kauntungan anu loba. Hanjakal teu kabeh bisnis bakal langsung meunang untung. Ieu nu ngabedakeun bisnis jeung pagawean biasa. Dina bisnis mah teu aya jaminan bisnis urang bakal meunang untung. Sok aya wae bisnis leutik anu teterusan janten bisnis leutik dina waktos anu lila. Matak urang kedah apal naon wae anu ngajadikeun bisnis urang teu maju-maju. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7991", "text": "Hasan teh urang asli Madura, manehna tos ngarantau di Jakarta salila 2 taun can balik-balik kampung deui. Tos lila manehna hoyong ngasaan bebek bakar asli Madura, saleresna di Jakarta ge seuernu icalan nanging rasana kirang cocog sareng teu otentik. Kabeneran ahir-ahir ieu aya restoran anyar nu ngaical bebek bakar Madura. Restoran ieu nu gaduhna nyaeta komedian asli Madura, nyaeta Tretan Muslim. Hasan bade nyobian ieu kadaharan, ekspektasi manehna luhur pisan kusabab nu icalna urang asli Madura janten kudu ngeunah. Pas nyobian leres we, teu kuciwa kusabab bebek na leres otentik sarua pisan rasana sareng bebek bakar Madura. Teu mikir lila restoran ieu janten tempat nu Hasan tuju upami hoyong dahar bebek bakar Madura.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3571", "text": "Lamun urang hilang arah pas keayaan keur aya di gunung anu kudu dilakukeun, nyaéta ngalakukeun STOP\n1. S = seat (diuk) istirahat\n2. T = Thinking (Pikir), pikir waras\n3. O = Observe (Titénan), Titénan sabudeureun anjeun, monitor, sarta manggihan sela\n4. P = Planning (rencana), ka mana salajengna, naha balik ka titik awal atawa cicing jempé ngantosan pitulung.\nSareng nalika 4 metode ieu henteu jalan, hal dasar anu anjeun kedah terang sateuacan naék gunung, sapertos:\n- Kumaha carana ngadamel bivac\n- Kumaha carana ngadamel seuneu\n- Ngabédakeun antara pepelakan anu tiasa didahar sareng anu teu tiasa didahar\n- Salawasna nyieun tanda lamun pindah leuwih jauh. Nu tujuan na nyirian mun misalkeun urang kajauhan teuing bisa balik deui ka jalan anu bieu geus ditandaan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2391", "text": "Dodol mangrupikeun kadaharan anu dalit ku seueur urang Indonésia. Réa wewengkon di Indonésia malah nyieun dodol kadaharan husus sorangan. Dodol garut mangrupikeun salah sahiji jinis anu pang populerna. Dina awalna, dodol garut mindeng dipaké salaku piring dina upacara adat, kitu ogé dina acara badag tangtu. Saterusna dodol Garut dihasilkeun pikeun kaperluan dagang sangkan kadaharanana dipikawanoh ku masarakat di loba wewengkon. Cara nyieun dodol garut Campur tipung ketan jeung gula beureum irisan Tuang santan cair jeung uyah secukupnya Kulub bahanna bari diaduk Tuang santan kandel jeung gula pasir, tuluy asak jeung aduk salila 4 jam Sanggeus kentel, tuang adonan kana wadah. baskom anu geus dialasi kertas minyak Lapiskeun adonan ku minyak goreng nepi ka rata Dodol Garut siap dihidangkan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2780", "text": "Dina kalolobaan mesin cuci (tipe beban luhur), nalika ngumbah, anjeun peryogi seueur cai. Mesin bakal ngajalankeun rotasi lamun laundry ieu immersed dina cai. Mesin cuci beban luhur ieu ngan ukur garing 80 persen, sareng anjeun masih kedah ngagaringkeun baju anjeun ku leungeun. Jenis Top load mesin cuci ngandelkeun kakuatan puteran. Dina dua bak luhur diangkat ka mesin cuci, contona, nu leuwih luhur gaya puter, aya nu badag puteranna, ditambah ai misalkeun urang ngeringkeun pasti han 80 persen na masih kudu garing sacara manual. Samentara éta, tabung tunggal luhureun mesin muka mangrupakeun tipe pinuh otomatis. Nyaéta, kagiatan nyeuseuh, nyeuseuh, malah nyalahkeun ngan dina hiji tabung.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3619", "text": "Pikeun kuring pribadi, éta henteu saé. Abdi henteu tahan hirup di kampung. Unggal minggu kuring kudu balik deui ka kota badag atoh. Hirup di kampung ngajadikeun kuring depresi. Teu sare, utah, stress, nyeri tonggong, ngalamun, ceurik, ambek, hubungan kuring jeung jalma-jalma nu pangdeukeutna ancur, lengkep. Saatos kuring ngarobih rutinitas sedentary kuring ka pasuliwer mingguan, depresi kuring diberesihan. Kaasup ogé kuring teu tahan cicing di kota leutik. Kampung pikeun kuring ngan ukur tempat kuring tiasa damel samentawis. Imah abdi masih di kota. Ayeuna kuring mikiran kamuflase jadi jalma-jalma nganggap kuring nuju damel nyata (aya anu diprank). Sajauh ieu, kuring ulin-ulin, ngurus blog di kamar kuring. Ieu nyieun tatanggana kasampak kalawan panon condescending. Lieur oge, mun siga nu loba duit jadi hutang, mun teu boga duit dihina.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7168", "text": "Seeur dahareun khas Indonesia anu dinobatkeun janten warisan budaya ku pamarentah, salah sahijina mochi. Seeur jalmi anu salah, mikirna mochi teh asalna ti China jeung Jepang \"Katerangan yen mochi asalna ti Jepang salah, sabenerna ti wewengkon urang oge, di Jepang aya dina abad 9-11, nalika beas asup ka Jepang, eta jaman karajaan Sunda. Pamadegan ieu kuat kusabab hasil penelitian antropolog ti Universitas Indonesia,” ceuk sejarawan Komunitas Dapur Kipahare, Irman Firmansyah. Emang sabenerna masih keneh seeur pro kontra ngeunaan asal usul dahareun ieu, tapi aya oge anu nyebut mochi ieu ayana ti hasil asimilasi budaya. Mochi ayeuna teu ngan saukur dieusian suuk hungkul, aya oge anu ditopingan ku oreo, matcha, jeung sajabana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4128", "text": "Khotbah atawa ceramah the eusi na nasehat nasehat alus pikeun urang umat manusia hususna muslim yen kudu inget jeung balik ka ajaran ajaran tina al qran jeung al hadist. Urang ukah ngan saukur maca quran hungkul tapi kudu bisa ngaregeupkeun na tuluy ngajadikeun ajaran ajaran agama ieu jadi sikap jeung parilaku anu hade di kahirupan sapopoe. Kudu ngahindarkeun dosa kusabab saganaengke oge bakal di partanggung jawabkeun, malaekat geus nuliskeun kabeh tingkah laku urang sapopoe di dunya moal aya anu kaliwat saeutik oge. Kabeh amal jeung dosa urang di kumpulkeun nepi ka ngke datangna kiamat kakarek dosa jeug mal urang ngke di timbang mana nu leuwih berat. Eta anu bakal nangtukeun ngke urang asup ka sorga atawa naraka. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "494", "text": "Sabenerna inti dina peran masjid teh nyaeta ngadegkeun sholat berjamaah, nu mangrupakeun salah sahiji syiar Islam nu paling gede. Sholat berjamaah mangrupakeun indikator utama kaberhasilan masjid eta sorangan. Jadi kaberhasilan jeung kakurangan peran jeung fungsi masjid teh bisa diukur ku sabaraha gedena antusias dina ngadegkeun sholat berjamaah. Sacara mikro peran masjid dina kahirupan umat Islam salaku tempat jang ibadah. Saluyu jeung ngaranna masjid teh nyaeta tempat sujud, dzikir, jeung ibadah sunat nu sejenna jadi fungsi utamana nyaeta jang tempat ibadah sholat jeung ibadah boh khusus atawa umum saluyu jeung ajaran Islam. Lamun sacara makro mah peran masjid nyaeta jang sarana tempat kumpul.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "886", "text": "Mun hayang olahraga meh mere mangpaat maksimal tangtuna kudu apal porsi olahraga jeung gerakanna anu bener. Olahraga nu dilakukeun kudu luyu jeung porsi anu bener oge gerakan anu bener. Porsi olahraga teh penting pisan jang ngawujudkeun awak anu sehat. Ku sabab kitu penting pisan apal batasan minimal jeung maksimal saacan olahraga jeung pas keur olahraga. Cara apal porsi maksimal pas keur olahraga teh bisa ku cara 220 di kurangan umur, tinggal dijumlahkeun ku 100 persen kamampuan maksimal pas keur olahraga. Mun geus apal denyut nadi latihan, nu kudu urang apal teh nyaeta sabaraha porsi nu alus jang olahraga. Porsi olahraga jang ngaronjatkeun status kasehatan teh nyaeta 60 nepikeun ka 85 persen tina denyut nadi maksimal.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "11", "text": "MInggu kamari kuring keur teu nafsu dahar sangu, biasana lamun keur teu nafsu dahar sangu kuring sok indit ka tempat Mie Bakso Campur Bungsu anu aya di jalan Veteran. Tapi kuring mah sok nyebutna Bakso Lobak lantaran aya lobakna. Harita kuring indit kawas biasana naek motor. Ngan 15 menitan ti imah geus nepi ka tempatna. Kabeneran pas datang teh keur rame da emang pas jam istirahat. Kuring pesen Bakso kuah jumbo, da sok teu cukup mun nu ukuran biasa teh. Komo mun keur hayang mie mah. Salian ti jualan mie bakso, di jero oge aya nu jualan Batagor, jeung nu jualan Es Campur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2766", "text": "Jumlah stasiun TV langkung seueur tapi pikeun sababaraha alesan unggal waktos hujan deras pikeun sababaraha saluran (grup MNC, trans corp, Viva Group sareng grup Emtek) siaranna ngaleungit sareng ngan ukur balik deui sababaraha minggu saatosna, pikeun indung kuring anu resep nonton. acara gosip jeung sinetron teh matak ngaganggu pisan, manehna sering baceo lamun loba sireum di analog, padahal digitalna tentu lewih jelas tapi sering ngaleungit. Naha gara-gara stasiun TV teu siap (siaran mindeng ngiles) jadi digital ditunda? Menarik dina cara naon? Eusi siaranana sarua jeung nu analog sanajan stasiun TV anyar tapi eusina sarua jeung nu geus lila aya dina analog mah geus leuwih ti 10 taun teu lalajo TV nasional jeung lokal sabab. Saur abdi acarana pikaboseneun padahal mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8665", "text": "Sanajan ngadaki mindeng diatur, nu teu kaduga bisa lumangsung. Ku sabab kitu, penting pisan pikeun urang ngartos sareng diajar kaahlian salamet di gunung. Ku diajar teknik ngawangun panyumputan, milarian sumber cai, milarian tuangeun, sareng kaahlian sanes, urang bakal langkung siap pikeun kaayaan darurat di gunung. Tong ragu pikeun ngabeungharan pangaweruh anjeun sateuacan ngamimitian naek salajengna. Hayu urang diajar kumaha salamet di gunung supados urang tiasa salamet sareng nikmati petualangan ieu kalayan aman! Ku diajar kaahlian hirup kayaning nyieun seuneu, neangan cai bersih, sarta ngadegkeun tenda, urang bisa nyiapkeun diri pikeun sagala kaayaan di gunung. Tong ragu pikeun diajar sareng naroskeun ka pendaki anu langkung berpengalaman, sareng sok emut pikeun mawa alat anu leres sareng cekap. Hayu tong sieun sareng siap-siap!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "164", "text": "Taun kamari urang ngajak Necdet ulin ka Kawah Putih anu aya di Ciwidey, urang berangkat ti imah ngajemput heula Necdet. Aya kana 1 jam an nepi ka tempat wisata na make motor. Sanggeus markirkeun motor, urang teu langsung bisa indit ka tempat kawahna, tapi kudu nungguan heula 5 orang deui ngameh bisa naek odong-odong jang ngangkut wisatawan ka tempat kawah na. Posisi harita urang pas poe biasa jadi saeutik pisan pengunjungna, atuh urang jeung Necdet kudu nungguan heula wisatawan sejen nu datang kadinya. Ceuk urang ieu teu efektif, kalakah meakeun waktu, jeung teu nentu iraha wisatawan sejen bakal datangna. Aya kana 30 menitan urang jeung Necdet nungguan sangkan odong-odong eta pinuh ku penumpang wisatawan. Pas rek balik oge sarua, urang kudu nungguan nu lain, sabab kudu pinuh heula ieu odong-odongna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4241", "text": "Sasandu (Basa Rote) atawa Sasando (Basa Kupang) nyaéta pakakas senar anu dipaénkeun ku cara metik maké ramo. Sasando nyaéta pakakas musik tradisional ti budaya Rote. Alat musik Sasando bentukna tabung, bagian utama dina wangun tabung panjang dijieunna tina awi, bagian tengahna buleud ti luhur nepi ka handap kalawan panyangga dimana senar atawa senarna diregepkeun. tabung awi ti luhur ka handap istirahat. Sajongjongan ieu méré nada anu béda dina unggal senar, tuluy tabung sasando dibéré wadah anu dijieun tina anyaman daun lontar (haik). Wadah ieu mangrupa tempat résonansi sasando. Wangun sasando sarua jeung alat musik senar séjénna saperti gitar, biola jeung kacapi. Sacara harfiah ngaran Sasando nurutkeun asal kecapna dina basa Rote, sasandu, anu hartina alat anu ngageter atawa sora. Kacaritakeun sasando geus dipaké ku masarakat Rote ti abad ka-7. Wangun Sasando unik pisan jeung béda jeung alat musik senar séjénna. Bagian utama nyaéta tabung awi panjangna 7 dugi ka 80 cm. Di bagian handap jeung luhur awi aya tempat masang jeung nyaluyukeun ketang tali.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8636", "text": "Babaraha jalma ngarasa upami hirup sareng pasangan teh teu geunaheun. Upami pasangan gaduh nilai atanapi pandangan anu béda pisan dina kahirupan, sapertos agama, politik, atanapi gaya hirup, ieu tiasa nyababkeun konflik sareng teu ngarareunah dina hubungan. Pasangan anu boga pangabutuh beda jeung harepan hirup bisa ngabalukarkeun konflik jeung teu puasan dina hubungan, contona lamun hiji pasangan hayang boga budak sedengkeun lianna henteu. Kurangna komunikasi alus dina hubungan bisa ngabalukarkeun ngarareunah atawa konflik. Sababaraha urang tiasa gaduh masalah psikologis atanapi emosional, sapertos kahariwang atanapi depresi, anu matak hese ngarasa nyaman dina hubungan. Teu satia atanapi panghianatan dina bagian tina hiji pasangan bisa ngaruksak kapercayaan tur nyieun hubungan teu nyaman atanapi teu aman.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3593", "text": "Barudak umur sakola salaku salah sahiji populasi boga peran penting dina kasiapsiagaan bencana alam banjir bandang. Kajadian bencana alam banjir bandang di Désa Kemiri Kacamatan Panti miboga dampak material jeung immaterial. Kasiapan bencana alam banjir bandang anu bisa dilaksanakeun sacara mandiri ku masarakat bisa mantuan ngaberdayakeun masarakat sacara mandiri atawa babarengan pikeun ngurangan dampak anu ditimbulkeunana. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan éksplorasi déskriptif anu miboga tujuan pikeun mikanyaho kamampuh barudak umur sakola dina nyiapkeun diri kana siaga bencana alam banjir bandang. Sampelna dicandak ku simple random sampling, nya éta saloba 75 barudak umur sakola. Instrumén ngumpulkeun data mangrupa angket kasiapan bencana alam banjir bandang. Analisis data univariate dina wangun persentase. Hasil panalungtikan némbongkeun yén tina 7 indikator kasiapan barudak sakola dina mangsa bencana alam banjir bandang masih kénéh kurang. bencana alam banjir bandang. Barudak umur sakola salaku bagian tina komunitas anu diperlukeun pikeun boga kaahlian kasiapsiagaan bencana anu bakal mantuan barudak umur sakola pikeun maénkeun peran aktif di masarakat, kaasup di imah jeung di sakola.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6516", "text": "Salah sahiji cara ngaleungitkeun stres teh nyaeta ku ngadeukeutkeun diri ka Gusti Allah. Biasana mah stres teh datang sabab kurangna ibadah. Ibadah teh boga kautamaan jang nenangkeun pikiran jeung kahirupan. Mun keur stres teh kudu lobakeun ibadah jeung amalan positif supaya mawa energi jeung pikiran positif ka diri sorangan. Biasakeun sholat tepat waktu, usahakeun laksanakeun sholat sunah dhuha jeung tahajjud. Oge lobakeun bersedekah jeung nolong sasama. Sagala amalan eta teh bisa mantik energi positif dina diri sorangan. Mun energi positif geus datang mah kabeh pikiran kalut jeung overthinking teh sagalana bakal lapur kabaurkeun. Komo mun dilakukeunna rutin mah bakal sae pisan jang awakna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2415", "text": "Pecalang miboga kalungguhan anu penting dina ngajaga kaamanan jeung kalancaran satiap upacara adat nu aya di Bali sacara gedé-gedéan, saperti ngajaga kaamanan dina saban hajatan Nyepi, dina mangsa prosesi Melasti, upacara adat di pura, prosesi Ngaben, upacara kawinan jeung ogé. kagiatan agama jeung tradisi lianna.\r\n\r\nSacara umum pancén Pecalang sarua jeung kapulisian, ogé ngatur patalimarga di wewengkon kagiatan upacara kaagamaan ku cara koordinasi jeung kapulisian, boga fungsi anu sarua dina ngajaga kaamanan masarakat jeung nepikeun pasualan Kamtibmas. Pecalang di Bali henteu ngan ukur ngajamin kalancaran upacara kaagamaan pikeun umat Hindu, tapi ogé nalika liburan Idul Fitri di masjid sareng perayaan Natal di gereja.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "151", "text": "Liburan orang kampung ka kota, sabalikna oge liburan orang kota ka kampung. Eta oge nu kajadian ku urang, urang ulinna ka Jakarta, harita jeung babaturan urang ngaranna Joe. Joe mah geus biasa ulin ka Jakarta, jadi apal tempat mana wae nu kudu didatangan. Urang jeung Joe diditu dua peuting 3 poe, naek kereta api eksekutif ti Bandung ka Gambir, lajeng pesen grab ka hotel, supaya bisa nendeun heula kantong, soalna ridu mun dibabawa. Tempat nu ku arurang tuju mall-mall nu aya di Jakarta, Kota Tua, Pantai Indah Kapuk (PIK), jeung poe terakhir ka Old Shanghai. Oge teu poho miluan car free day poe Minggu na.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "166", "text": "Sabab di keluarga urang loba budak leutik, jadi liburan teh kudu ekstra hati-hati, ti mulai persiapan, pas perjalanan, oge pas di tempat liburan. Nu kahiji pastina kudu milih tempat anu ramah jang budak leutik, ulah milih tempat anu sakirana bahaya, siga curug atawa walungan, sabab bisina budak leutik maceuh teu katalingakeun jol ngagejebur. Nu kadua pas perjalanan, lamun kana motor usahakeun make helm. Lamun pake mobil pakekeun sabuk pengamanna. Nu terakhir, pas di tempat liburan kudu fokus ka anak nu dibawa, lamun budak geus bisa leumpang, kudu ditungtun tuluy, soalna lamun teu fokus jeung teu ditungtun, budak bisa kamana wae.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4508", "text": "Henteu ngan ukur séhat pikeun awak, kagiatan ekstrakurikuler olahraga di sakola ogé tiasa ngabantosan ngawangun kapribadian budak. Pikeun ngahontal kameunangan atanapi hasil anu dipikahoyong, budak bakal rajin latihan. Ti dinya, manéhna ogé dilatih pikeun mekarkeun rasa percaya diri. Biasana barudak anu cicingeun dina kagiatan di sakola condong leuwih taat kana aturan jeung disiplin. Sajaba ti éta, ogé bakal leuwih gampang pikeun barudak diajar narima eleh jeung narima kritik. Mangpaat séjén dina kagiatan ekstrakurikuler nyaéta bisa ngajurung barudak sangkan getol kana kelas. Salian ti éta, kagiatan fisik anu dilakukeun ku budak ieu ogé ngamungkinkeun aliran getih ningkat dina uteuk, ngajantenkeun anjeunna langkung gampang konsentrasi, gaduh ingetan anu langkung seukeut, sareng tiasa mikir anu jelas.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3896", "text": "Babaturan urang sakola urang ayeeuna aya nu di gawe di restoran jadi waiters atawa pelayan na, tugas na unggal poe nya nguruskeun jeung nyiapkeun masakan. Restoran tempat babaturan di gawe teh emang restoran mahal, restoran bintang lima nu aya di hotel. Unggal poe babaturan bisa ningali jeung apal masakan - masakan nu loba pisan, masakan - masakan nu di jieun ku chef na. Masakan - masakan di hotel bintang lima kacida loba na, aya masakan anu kaitung ringan nepi ka berat, aya masakan ti berbagai negara oge saperti aya western food, japanese food jeung pasti na aya indonesian food kabeh di sadiakeun can deui masakan eta ge di bagi deui jadi makanan pembuka apitizer, makanan utama main course jeung makanan pentup nyaeta dessert.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6775", "text": "Basa Idul Qurban abdi sareng rerencangan ngempel sabari sasatean di bumi rerencangan abdi. Arurang bagi-bagi kanggo papasakan. Aya nu mawa tusuk sate, kecap, mantega, tapi sadayana kedah mawa daging masing-masing. Arurang motong daging sasarengan terus aya oge anu ngulek bawang bodas teras ngabungbuan daging. Anu lalaki na oge nyiapkeun jang babakaran. Pas babakaran tos siap urang langsung ngaduruk sate. Sabari ngantosan sate na asak, urang oge nyiapkeun bonteng, jeung wortel kanggo acar ba. Aya oge anu ngadamel bumbu kacang kanggo sate. Pas sadayana tos asak, arurang emam sasarengan di sisi kolam. Teras dilanjutkeun ameng kartu nepi ka wengi dilanjutkeun lalajo pelem jurig.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "144", "text": "Kereta Api emang jadi salah sahiji transportasi nu nyaman dipake jang indit ka hiji tempat atawa ka tempat wisata anu sa wilayah atawa nu beda kota. Kereta Api kaasup transportasi anu nyaman, sabab teu kapegat macet, jeung geus pasti waktu indit jeung nepi na ka tujuan. Ngan ku sabab kereta api aya kelas-kelasna, tangtu aya plus minusna. Lamun nu kelas eksekutif ceuk urang mah paling ngeunaheun, utamana tempat diukna anu lega. Beda jeung nu ekonomi, urang pernah perjalanan ka Cimahi teu nyaman, sabab awak teh karasa cangkeul. Cangkeul pedah tempat diuna anu tegak jeung heuras, komo lamun dipake perjalanan jauh. Tuluy masalah tempat diukna deui, posisina teh pahareup-hareup jadi ngarasa kurang nyaman, komo lamun jeung batur nu teu kenal mah jadi asa era ningali kahareup ge.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4974", "text": "Unggal poe kuring sok ningalian video foodvlogger dina youtube. Tah geuning zaman kiwari mah tukang ngasaan jeung ngareview dahareun teh jadi pagawean nu gajina gede. Malahan mah jadi pagawean matuh jang sababaraha jelama. Ku aya na pagawean ieu ngababarikeun nu digawe jeung nu nonton na oge. Kadang mah mun keur bosen kana tuangeun di imah sok ngahaja neangan dina youtube na terus nimu tuangeun nu pikabitaeun. Malahan mah kuring unggal poe teh sok ngahajakeun make waktu senggang jeung nonton youtube nu karitu. Jang kuring mah ku ayana pagawean review dahareun teh ngbabarikeun kuring dina milih jajanan naon nu mantak seger di tuang harita.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2422", "text": "Suku Dayak Semeriot Punan aya di pedalaman leuweung Kalimantan, tepatna di hulu Walungan Bulusu. Aksés ka désa henteu gampang. nurutkeun sesepuh tradisional ieu cara ngajaga alam. 1. Suku Dayak Semeriot Punan masih ngajaga tradisi karuhunna, saperti tani, moro, jeung sajabana. Sumberdaya alam ogé dikokolakeun. Hal ieu sabab masarakat masih nerapkeun tata cara anu dumasar kana hukum adat pikeun ngabersihan lahan perkebunan. Hukum adat satemenna jadi padoman dina ngabersihkeun lahan, sangkan jalma-jalma teu malire dina nebang tangkal. Ku kituna, kelestarian leuweung bisa dijaga. 2. Ngajaga ritual. Aya hiji ritual panjang anu kudu dilaksanakeun nalika jalma-jalma hoyong ngabersihan lahan pikeun pertanian. Ritual ieu dilaksanakeun supados pepelakan tiasa mekar, sareng ditangtayungan tina serangan hama. Waktu palaksanaan nya éta masarakat rék ngalakukeun penugalan, atawa nyieun liang penanaman ngagunakeun pakakas basajan pikeun ngamimitian prosés melak paré. Salian ti melak pare, masarakat ogé melak ubi, cabe, tomat, waluh jeung bonténg.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5790", "text": "Biasana, dina olahraga arung jeram teh sok aya kacilakaan nu disebabkeun kalalaian pegiatna sorangan, misalna teu make palampung atawa teu apal teori self rescue, jeung sajabana. Cara ngaminimalisir kacilakaan dina olahraga arung jeram teh nyaeta aya tilu. Mimiti, urang kudu paham kana teori jeung praktekna supaya bisa nyelamatkeun diri sorangan mun terjadi kacilakaan. Nu kadua nyaeta ulah panik mun parahu tibalik atawa awak kapental dina parahu. Kudu tenang jeung ngojay lalaunan ka sisi wahangan, ulah nepi ka panik teu puguh sabab bisa nyilakakeun sorangan. Nu katilu nyaeta tong poho pastikeun make pelampung jeung helm supaya bisa ngaminimalisir benturan jeung resiko tilelep na cai.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4162", "text": "Upacara kaagamaan Poé Saraswati nyaéta libur pikeun ngagungkeun pangaweruh. Dina lebaran ieu, umat Hindu Bali biasana ngalaksanakeun upacara husus pikeun nyembah atawa ngamulyakeun Dewi Saraswati anu dipercaya mawa élmu pangaweruh di bumi sangkan sakumna jalma di dunya pinter jeung terdidik. Sagala nu patali jeung élmu pangaweruh saperti kitab jeung kitab suci dido’akeun dina upacara Saraswati. Henteu ngan éta, biasana aya pintonan tari jeung maca carita anu lumangsung sapeuting. kakawasaan Ida Sanghyang Widhi Wasa anu diwujudkeun dina diri Déwi Saraswati dilambangkeun ku Déwi anu geulis panangan opat nyekel alat musik, genitri, pustaka suci, jeung kembang lotus. Kahiji, awéwé geulis téh simbol geulis, pikaresepeun, lemah lembut, kakuatan mulya. Wanoja anu miboga ciri-ciri ieu mangrupa idaman atawa idola urang saréréa.Dina hal ieu disebutkeun yén aya hiji prosés kahayang pikeun ngayakeun pendekatan anu lengkep. Ieu pendekatan mangrupa pendekatan ka Déwi ku cara nyokot prosés diajar pikeun meunangkeun pangaweruh.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7031", "text": "Sacara umum Wali Songo hartina salapan Wali anu deukeut ka Allah SWT. Wali Songo di Nusantara katelah salapan panyebar agama Islam. Perjalanan dakwah Wali Songo parantos kacatet dina sajarah sumebarna agama Islam di Indonesia. Maranehna geus ninggalkeun loba tapak dina da’wah. Wali Songo mawa parobahan anu seeur ka masarakat Jawa, nu baheulana lolobana Hindu-Budha. Salah sahiji anu katelah nyaeta Sunan Kalijaga. Dina da'wah, Sunan Kalijaga ngawanohkeun wangun wayang nu dijieun tina kulit embe atawa nu biasa disebut wayang kulit. Sabab, dina waktu harita wayang geus populer dicet dina kertas atawa wayang beber. Dina seni sora, manehna ngarang lagu nyaeta Dandanggula.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4022", "text": "Film Yo Wis Ben lain ngan ukur tontonan tapi ogé pituduh atawa tuntunan jeung alat motivasi sareng inspirasi. Film Yo wis ben nu pinuh ngagunakeun basa Jawa jeung ngawanohkeun budaya Jawa, kadaharan husus daerah jawa, kana kasenian jeung ngahadirkeun tokoh-tokoh senior ti kasenian Jawa Timur, saperti ludruk. jeung latar temapt na ge full di jawa nyaeta di malang nu bis sakalian promo tempat wisata nu di malang. Film anu lain ngan ukur nyaritakeun kacintaan barudak SMA tapi ogé pinuh ku harti. Carita leuwih museur kana perjuangan Bayu jeung babaturanana pikeun ngahontal kasuksesan kalawan band maranéhanana, nyaéta Yo Wi Ben, kakompakan, silaturahmi jeung sumanget pantang mundur mangrupa hal-hal anu bisa dipetik tina ieu film.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2818", "text": "Henteu ngan ukur listrik langkung mirah, tapi unggal waktos anjeun ngerem, motor listrik bakal janten generator, ngahasilkeun listrik sareng nyimpen deui kana batré (Regenerative Braking), sabalikna, mesin ICE bakal ngarobih énergi inersia ngerem janten panas. Kusabab karakter motor listrik sanggup ngadalikeun otonom, ku batré badag ngamungkinkeun pikeun komputer power-up kuat sarta komunikasi kontinyu, sanajan dina kondisi jempé. Mobil listrik mangrupikeun bank listrik raksasa, janten mobil anjeun tiasa nyéépkeun bumi nalika lampu pareum, tapi mobil listrik masih nganggo roda, sanés? Ieu ngandung harti yén anjeun masih peryogi spooring biasa na balancing, sahenteuna sakali sataun. Naha anjeun masih nganggo AC? Wah, AC mobil teu acan dikumbah. Enya, ieu 2 taun sakali, teu kunanaon. Pariksa sél batré hiji-hiji, meureun dina taun ka 4 atawa 5. Jadi pangropéa rutin leuwih torek, sakapeung bakal kaget lamun motor listrik mimiti boga masalah, waragad bisa jadi teu disangka-sangka.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4744", "text": "Usaha anu dilakukeun ku batur pasti bakal ngalaman anu ngarana untung atawa rugi. Kauntungan sareng karugian gumantung kana tingkat panghasilan perusahaan. Panghasilan anu dimeunangkeun tina jinis usaha anu dilaksanakeun boh di jero usaha atawa di luar usaha anu masih aya hubunganana jeung usaha. Usaha anu dilakukeun sacara saksama moal mungkin bakal rugi. Karugian ieu kamungkinan pisan lumangsung gumantung kana kaayaan sareng kaayaan perusahaan. Nalika kaayaan perusahaan henteu sae, eta bakal ngalaman karugian, Tapi nu ngarana usaha moal bakal mungkin bakal mulus jeung untung wae, pasti aya masa na ngalaman anu ngarana rugi, matak penting ka pangusaha boga sistem lamun ngalaman karugian. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1963", "text": "Perjalanan mangrupikeun salah sahiji kategori anu ngembang dina TikTok. Pikeun milarian dimana pangguna badé angkat dina liburan salajengna, halaman wéb pesenan perjalanan ku hastag Next Vacay ngagariskeun tempat wisata anu nuju tren dina eta platform. Data kasebut tuluy dirujuk ku ulasan Tripadvisor pikeun nangtukeun faktor saperti cuaca tujuan, titik harga, jeung ramé, nepi ka ahirna manggihan tujuan wisata nu pang populerna di sakuliah dunya, sakumaha dicutat tina Travel and Leisure, Rebo, 25 Mei 2022. deui mastikeun ngaran Indonesia aya diditu didaptarkeun dina kategori \"Pantai\". Wawakil kali ieu nyaeta Basisir Kuta, Bali, anu aya dina posisi ka-10 kalayan rekor 641 rébu unggah dina Instagram.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9328", "text": "Etika jeung tatangga anu séjén nyaéta, lamun tatangga gering, urang kudu nganjang ka imah manéhna, ulah poho oge mawa babawaan jang ngabahagiakeun manehna. Hartina, tatangga anu teu gering wajib nganjang ka manéhna, teu paduli status sosial tatangga anu geringna. Tatanggaan teh dasarna babaturan, jadi kasataraan di antara maranehna kudu dijaga bener. Ulah ngan kusabab tatangga urang miskin, urang teu hayang ngadatangan aranjeunna. Nempo status sosial ngan bakal ngajadikeun urang jadi jalma sombong. Sedengkeun sifat sombong eta pasti moal aya nu resep. Ulah jadi tatangga anu sombong, engke mun giliran urang nu gering, moal aya tatangga anu rek nganjang ka urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4751", "text": "Tips anu paling umum lamun anu bisa gancang di lakukeun lamun usaha urang keur ngalaman karugian nyaeta motong anggaran anu teu perlu. Tong salah biasan ajustru ayana kabocoran dana anu ngajieun eweuh na efisiensi lolobana tina anggaran anu sabenerna teu penting penting teuing . Anggaran ieu bisa na kajadian kusabab sok teu karasa nyaho nyaho loba. Jadi lamun keur bangkrut hal mimiti anu kudu di nyokot nyaeta coba pertimbangkeun deui biaya atawa anggaran anu henteu penting teuing. Contona, baheula, pikeun hiji hidangan di restoran bisa meakkeun dua ratus rebu nepi ka lima ratus rebu. Mereun duit sakitu biasana henteu loba jeung teu jadi masalah lamun usaha urang keur alus, tapi dina waktu na urang keur susah, duit sakumaha oge jadi boga harti anu gede. Dina kaayaan kitu, kaharti kanyataanana, kaayaan ayeuna geus teu siga baheula. Mimitian ngahemat biaya sareng robah gaya hirup anjeun janten langkung saderhana.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4973", "text": "Saha nu teu wawuh kana camilan roti unyil. Ieu camilan ti jaman baheula nu masih eksis nepi ka kiwari. Tah roti unyil teh ayeuna mah bisa diorder atawa dipesen langsung ka abdi. Roti unyil teh mangrupa-rupa rasana, aya nu asin aya oge nu amis. Hargana mirah pisan, kur dua rebu maratusan hiji na teh. Pami hoyong dianterkeun, minimal kedah pesen sapuluh roti unyil. Yuk ah nu teu acan nyobian, geura cobian bilih kaburu seepeun! iraha deui coba mendakan camilan langka ieu. Meungpeung abdi ieu nuju ready barang na. Kin mah kaburu teu aya geura seepeun. Yuk tiasa langsung pesen ka abdi!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7200", "text": "Peran tokoh adat di daerah teh kacida pentingna dina usaha ngaronjatkeun gawe bareng anu hade pikeun ngahontal Pilkada anu sae jeung demokratis, boh di kalangan elit pulitik boh di kalangan masarakat. Pamingpin adat boga peran dina ngondang masarakat dina rangka partisipasi masarakat dina Pilkada. Tokoh adat oge gaduh fungsi ngarahkeun. Fungsi pengarahan anu dipiboga ku para pamingpin tradisional ieu lain dimaksudkeun salaku aktor pulitik anu maenkeun peran pulitik anu tangtu tapi leuwih nekenkeun kana usaha sosialisasi pikeun nyieun pilihan anu mampuh ngawakilan aspirasi unit masarakat. Pamingpin tradisional oge janten panutan, lain ngan saukur soal status tapi boga fungsi anu teu katulis.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5089", "text": "Bagi sabagean mahasiswa, waktu luang teh sok diarep-arep pisan jang jalan-jalan ka luar, sabab poe biasa mah sok seueur ku tugas kuliah jadi teu sempet kamana-mana. Tapi aya oge mahasiswa nu make waktu luangna keur full ogoleran nyantai di kostan. Sabagean besar mahasiswa teh milih rebahan tibatan ulin ka luar. Komo deui ayeuna mah sagala urusan ge bisa dibereskeun lewat hape, makin we males-malesan na teh muncul. Tapi teu nanaon, meureun eta teh bentuk istirahatna tina kapenatan urusan kuliah jeung numpukna tugas. Jadi urang teu bisa nyaruakeun hiji jalma jeung lainna, silih hargaan, silih ngatikeun we kedah na mah nya.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6782", "text": "Sareng rerencangan kuliah, abdi dipasihan kasempetan datang ka Balai Bahasa anu lokasi na aya di Jakarta. Arurang sadayana angkat subuh-subuh ti kampus Jatinangor. Janjian di kampus tabuh lima subuh. Abdi angkat ti Bandung tabuh opat leuwih sakedik lantaran naik angkot sajam. Tapi teu disangka-sangka abdi papangih jeung dosen di jalan sateuacan naek angkot, Ibu dosen ieu kenal ka abdi lantaran abdi nganggo almamater kampus. Alhamdulillah abdi janten teu kedah naek angkot ka kampus, langsung naek mobil ibu dosen. Dugi di kampus tos seeur rerencangan abdi anu tos lami teu panggih. Sababaraha menit ngantosan rerencangan nu sanes, ahirna urang naik bes ka Jakarta. Dugi di Jakarta urang langsung datang ka aula balai bahasa, dipasihan terang tentang tugas Balai Bahasa, jeung sajabana. Tos siang arurang sholat sareng emam siang heula sateuacan angkat ka Museum Macan, mumpung aya di Jakarta. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5052", "text": "Prime Plaza Hotel nyaeta salah sahiji hotel mewah nu aya di Purwakarta. Lokasina aya di komplek industri tapi asri ku tatangkalan harejo daerah Bungursari. Fasilitas di hotel ieu kabilang lengkap pisan, mula ti wifi, AC, spa jeun fitness, kola renang cai tiis jeung aya kolam rendam cai panas. Didieu oge aya restoran nu lengkap ku life musik. Tah, pamananganna nu aya di tengah-tengah kebon asri ngajadikeun pamandangan na harejo manjakeun mata. Didieu oge aya lapangan voli jeung ATM lengkap. Pelayanan resepsionistna oge meuni kacida pisan ramah. Cocok pisan ieu hotel jang staycation sabab jauh ti hiruk pikuk perkotaan. Pamandangan jeung suasana isuk-isuk nu seger jadi kaunggulan ieu hotel. Diluar ge teu kadangu saeutik acan ora kandaraan sejen, sabab emang hotel na kabilang hidden gem kitu. Pokokna didieu mah bakal betah we, bakal jadi rekomendasi hotel nu asri jeung nyaman. Yuk ah sasakali cobian staycation di hotel ieu. Hargana bakal sabanding jeung fasilitas nu ku urang asaan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5912", "text": "Di zaman modern ieu, loba teknologi nu bermunculan sairing jeung perkembangan zaman. Sagala hal bisa disederhanakeun make teknologi, jadi teu kudu ribet deui kana nanaon teh. Mun bade pembayaran, ayeuna mah aya teknologi barcode nu bisa diakses ku sagala rupa aplikasi pembayaran daring, aya teknologi mobil listrik, sapeda listrik, motor listrik, jeung sajabana. Ieu teh jadi salah sahiji halnu kudu dipandang positif sabab bisa ngamudahkeun pagawean. Tapi, dina ngahadapi na oge urang kudu boga kasiapan jeung ngikuti perkembangan nana, ulah nepi ka tinggaleun. uk urang leuwih update jeung melek teknologi, supaya bisa nuturkeun perkembangan zaman jeung teu tinggaleun dina salgala informasi teknologi!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7915", "text": "Hirup sareng tatanggi teh pasti sok aya wae masalahna, namina oge hirup sareng manusa pasti aya wae masalahna. Biasana lamun hirup sasarengan dina waktos anu lami teh pasti bakal aya konflik. Eta mah hal anu wajar dina patalian jeung manusa. Kabayang atuh da tatanggi teh mangrupakeun jalmi anu pang dekeutna jeung urang salian ti kulawargi sorangan. Lamun urang aya masalah, anu tiasa dimenta bantosan salian ti kulawargi nyaeta tatanggi anu aya di sabeulah imah urang. Janten urang kedah ngajagi hubungan sareng tatanggi supados akur jeung tiasa silih asih. Urang oge kedah paduli ka tatanggi sabab dina jaman Islam baheula mah lamun aya nu kalaparan, pasti jalam kahiji anu bakal ditanyaan teh pasti tatanggi na heula.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9376", "text": "Biasana di lembur sok aya keneh upacara adat, salah sahijina nyaeta Seren Taun. Seren Taun nyaéta upacara adat anu dilaksanakeun sabada panén paré. Upacara ieu dilaksanakeun sacara rutin unggal taun sarta diiluan ku sakumna warga désa, ti mimiti murangkalih nepi ka déwasa, anu kabéhanana milu dina ieu upacara. Upacara adat ieu lumangsung sacara meriah di kampung adat Sunda. Seren Taun asalna tina kecap \"Seren\" sareng \"Taun\". Dina basa Sunda, Seren teh hartina pasrah, sedengkeun kecap Taun hartina teh Taun. Harti Seren Taun nyaéta prosesi masrahkeun hasil panen taun ka tukang pikeun taun anu bakal datang. Biasana mah sok aya arak-arakan anu kapisah anu diwariskeun turun-tumurun, nyaéta tanda rasi bintang anu dipikawanoh ku masarakat di dinya salaku Sindang jeung Kerti. Pikeun waktuna kudu dimimitian ku kapala desa heula, sanggeus eta karek diteruskeun ku warga nu sejen.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2338", "text": "Dina upacara seren taun, anu jadi objek utama nyaéta PADI. Béas dianggap lambang karaharjaan sabab wewengkon Cigugur hususna sarta wewengkon Sunda séjénna umumna mangrupa wewengkon tatanén anu rupa-rupa carita klasik tina sastra Sunda, saperti carita Pwah Aci Sahyang Asri anu méré kasuburan ka para patani salaku utusan Jabaning Langit turun. ka bumi. Dina upacara seren taun ieu carita-carita klasik pantun Sunda nyaritakeun lalampahan Pwah Aci Sahyang Asri. Salian ti éta, béas mangrupa sumber pangan utama anu miboga pangaruh langsung kana 20 ciri ayana manusa di luhur. Pwah Aci atau yang lebih dikenal dengan Dewi Sri merupakan tokoh yang telah melegenda dan memiliki daya tarik tersendiri bagi masyarakat agraris khususnya tatar sunda. Tari Pwah Aci merupakan salah satu seni tari spiritual yang di dalamnya tersirat ungkapan rasa hormat dan bhakti kepada Sang Pemberi Hidup melalui gerak dan ekspres", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "20", "text": "Bubur mangrupakeun dahareun nu asalna tina sangu. Bubur biasana didahar pas sarapan isuk-isuk, atawa lamun keur gering biasana sok ngadahar bubur kusabab tekstur na anu lembut. Cara nyieun bubur oge babari, lantaran bahan-bahan anu diperlukeun na oge sederhana jeung babari dimeunangkeun. Carana masak beas ku cai biasa jeung cai kaldu hayam, tong poho make uyah sacukupna. Masak beas nepi ka lembut kira-kira satengah jam. Ngameh panci teu babari tutung, bari di galokeun. Tuluy tambahan bumbu daging hayamna ku uyah, saberes eta goreng nepi asak jeung potong nepi ka ipis. Tuluy cokot mangkok bari ditambahkeun bubur di luhurna, ulah poho daging hayam, bawang goreng, bawang daun, jeung endog. Tinggal tambahan kecap asin atawa kecap amis. Bubur siap didahar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3075", "text": "Ngajual online henteu sagampil sigana. Jigana usaha ieu bakal lancar sareng lancar. Tapi kanyataanna aya seueur halangan sareng kasabaran tambahan. Kuring geus ngagabung grup bisnis online cukup well-dipikawanoh. Panghasilanna waé puluhan juta sabulan. Reseller di dieu seueur pisan, ayeuna masing-masing reseller kedah nawiskeun produkna. kami nganggo Facebook salaku tempat pikeun ngajual produk kami kusabab anjeun terang, seueur pangguna fb ti Indonesia sareng luar negeri ogé. Oh enya, kuring ngajual suplement dahareun (ngalemeskeun awak jeung slimming). Kuring ningali senior kuring ngajual lancar sareng jaya. Kumaha atuh teu aya anu hoyong mésér? Masalahna aya puluhan tapi nya kitu, PHP sok on, utamana lamun geus nyaho hargana, konsumen bakal mundur, sanajan dina pamanggih kuring hargana bener-bener patut dibandingkeun jeung produk di luar. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1552", "text": "Alesan naha urang kudu nyiapkeun dana darurat. Nu kahiji jaga-jaga aya biaya anu mendesak, urang moal pernah apal bakal aya biaya mendesak naon nu bakal ku urang kaluarkeun pas engkena, dana darurat diperlukeun jang jaga-jaga kawas kitu. Nu kadua nyegah boga hutang, pas kabutuhan mendesak datang tuluy urang teu mibogaan dana darurat, salah sahiji jalan kaluar jang ngabiayai kabutuhan eta nyaeta ku cara ngahutang. Dana darurat mibogaan fungsi nyegah ngameh urang teu kudu ngahutang jang nutupan biaya eta. Nu katilu nyegah gaya hirup nu konsumtif, dana darurat bisa nyegah urang jang hirup konsumtif. Ku dana darurat alih-alih urang balanja jang kahayang urang nu teu terlalu penting eta, urang bisa milih jang nyiapkeun duit tiis eta ka dana darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7127", "text": "Propinsi Sumatera Utara gaduh imah adat nu disebut Imah Bolon. Imah adat suku Batak Toba ieu gaduh kaunikan numutkeun kabudayaan masarakat satempat. Sacara umum, ciri imah adat Bolon bisa ditingali tina ukuranana anu badag sarta hateupna runcing dina sisi hareup jeung tukang. Imah adat bolon kungsi dijadikeun tempat padumukan para bangsawan, kaasup raja, permaisuri, jeung pangawal raja. Tapi, lila-lila imah ieu jadi imah dianggo pikeun imah warga satempat. Sawatara diantarana aya nu dijadikeun musieum pikeun dijadikeun tempat wisata, salah sahijina nyaeta imah bolon di Kampung Adat Ompu Marjobu Situngkir, Kabupaten Samosir. Kai pikeun ngawangun imah bolon disambungkeun make pasak di bagian juruna sangkan imah bisa nangtung pageuh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8280", "text": "Ayeuna pangusaha tiasa ngembangkeun usaha kalayan muka usaha di bumi. Husus pikeun ibu rumah tangga anu hoyong milarian kasempetan usaha sampingan, ieu mangrupikeun kasempetan anu sae pikeun ngembangkeun diri sareng nampi panghasilan tambahan. Ngajalankeun bisnis di bumi tiasa janten cara anu sae pikeun ngirangan biaya. Anjeun tiasa nganggo teras, ruang tamu sareng bagian-bagian sanes bumi supados anjeun henteu kedah mayar nyewa. Perkara teu sabaraha leutik usaha, anjeun geus jadi pamimpin dina bisnis. Ieu bakal masihan anjeun wawasan sareng pangalaman dina sagala aspek ngajalankeun usaha. Upami anjeun ngajalankeun usaha di bumi, anjeun henteu kedah nyeepkeun waktos ngantosan transportasi ka kantor sabab anjeun tiasa langsung ngamimitian proses bisnis sanaos saatos hudang. Jam kerja anjeun henteu terbatas sareng fleksibel.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5835", "text": "Poe ayeuna teh abdi bade nginjem laptoo nu Icha sabab laptop abdi rusak, jeung deuih poe ayeuna aya interview kerja di Superindo. Abdi ngaharepkeun pisan laptop abdi tiasa tereh pulih deui sabab nuju butuh pisan kangge ngadamel susuratan jeung lamaran. Abdi nginjeum ti sapoe samemeh interview supaya bisa diajar heula dina hareupeun kamera. Alhamdulillah laptona Icha mah lancar, teu aya kendala nanaon. Mudah-mudahan we pas nuju online meeting ge teu aya hambatan nanaon jeung dilancarkeun dina perangkat jeung dina kasiapanna. Laptop Icha ge da kenging meser second, tapi emang kualitasna alus keneh. Mudah-mudahan we dipaparinan kalancaran dina sagala rupi na.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "140", "text": "Pertengahan bulan September, urang jeung Joe mesen tiket kereta api eksekutif ka Jakarta. Hargana 145 rebu, naek 20 rebu dibanding taun kamari. Datang ka stasiun nyetak tiket, saberes eta meuli heula roti jang di kereta. Lima menit kereta rek berangkat, Joe hayang ka toilet. Atuh rada telat, buru-buru weh bari lumpat ka kereta nu dituju, kereta geus jalan tapi masih lalaunan, jadi masih kaudag. Beres ngudag kereta bari hah-heh-hoh, urang jeung Joe neangan tempat diuk nu geus dipesen, tapi kalakah aya nu nempatan bapak-bapak jeung ibu-ibu nu katingali geus kolot. Tungtungna urang jeung Joe neangan tempat diuk anu kosong, da ngusir si bapak jeung ibu teu tega. Untungna ku tukang mariksa tiket ge teu nanaon nempatan korsi anu kosong.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1893", "text": "Ngadahar kentang goreng anu diemam sareng sangu bodas mangrupikeun hal anu biasa urang lakukeun. Nyatana, urang kedah ngajauhan kabiasaan ieu kusabab kabiasaan ieu tiasa nyababkeun sababaraha karugian pikeun anu ngalakukeunana. Numutkeun sababaraha artikel, sangu bodas sareng kentang goreng mangrupikeun dua tuangeun anu ngandung karbohidrat sederhana, dimana karbohidrat nyaéta karbohidrat anu ngan ukur tiasa ngeusian beuteung samentawis. Lamun urang dahar dua kadaharan ieu sakaligus, karbohidrat basajan ieu bakal asup kana lambung sarta ngabalukarkeun beuteung ngarasa pinuh samentara, lajeng ngarasa lapar deui. Éta ogé bakal ngajantenkeun urang gampang lapar sareng ngonsumsi seueur rupa-rupa tuangeun. Balukarna, urang ogé bakal ngalaman obesitas sareng ogé ngalaman sababaraha panyakit sanés, mimitian ti koléstérol dugi ka kanker. Ku kituna, kabiasaan ngonsumsi kentang goreng dicampur sangu bodas kudu geuwat dikurangan sangkan awak urang bisa nyingkahan épék goréng anu ditimbulkeunna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "187", "text": "Sabab bioskop tempat umum, jadi aya aturan nu kudu ditaati. Contona, ulah nendeun suku di luhur bangku penonton nu dihareupeun. Ulah ngomong tarik di jero bioskop. Lamun mawa dahareun atawa minuman, ulah aya sora ngunyah. Lamun cape diuk, ulah nepi ka nangtung, sabab batur bakal kahalangan, komo deui mun sabari leuleumpangan. Kecuali mun rek ka toilet mah teu nanaon, malah bisa balik deui. Ulah ngarekam film, ieu ngaranna pembajakan. Sabenerna teu nanaon sare dibioskop ge pas filmna masih jalan, tapi harus dipastikeun ulah nepika ngorok, sabab bakal ngaganggu kanu lainna. Ulah oge seuri dibagian anu teu lucu, bakal dikira aneh ku penonton lain.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6648", "text": "Salian ti perkedel kentang, aya oge perkedel jagong. Perkedal jagong beda jeung perkedel kentang, ti bahan dasar na oge tos beda. Ai perkedel kentang mah ti kentang anu dicampur tipung tarigu sakedik, tapi ai perkedel jagong mah leuwih seeur tariguna. Abdi kirang resep perkedel jagong lantaran kirang resep jagong. Jagong biasana sok aya kulit luarna nu sok nyangked dina huntu jeung rasa cai ti jagong gaduh rasa anu amis. Jagong oge kirang cocok dijadikeun sayur baseuh lantaran aya rasa manisna anu matak janten gampang wareg ngadaharna. Tapi upami jagong dibakar atawa didamel jagong susu keju abdi resep lantaran rasana mu katutupan ku rasa susu jeung keju, abdi oge resep upami jagong dibakar asal ting dijadikeun sayur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1899", "text": "Lebet ka sakola kuliner mangrupikeun pilihan anu saé pikeun seueur koki anu hoyong motekar, salah sahiji nu kudu diseriuskeun jang pilihan anu saé upami diniatan ditambah anjeun gaduh waktos sareng artos, tapi éta mereunan henteu tiasa diaksés ku sadayana. kumargi, sakola bakal ngajarkeun anjeun téhnik ditangtoskeun, sangkan anjeun teu ngamekarkeun kabiasaan goréng di dapur.Fasilitator mangrupikeun sumber anu berharga, sareng aranjeunna berpotensi ngabantosan anjeun nyambungkeun sareng milarian padamelan saatos anjeun lulus. Komo Deui gaduh latar sakola kuliner tiasa ngabantosan anjeun ngasah rasa sareng diajar rasa mana anu saling melengkapi. nah jang koki nu hayang lewih motear geus kuduna bisa investasi ka dirina sorangan jang ngiluan sakola kuliner.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7053", "text": "Ceramah anu didugikeun ku Ustad Hannan Attaki ieu ngeuna pisan di kuring. Anjeunna nyarios yen lamun hate urang ngadu;a sabari yakin sa yakin-yakinna ka Gusti Allah SWT, Alloh pasti moal ngajieun urang kuciwa, lantaran Allah parantos jangji yen Allah teh dekeut pisan, matak urang teu kenging ngarep ka sasaha deui lian ti Allah, Allah janten hiji-hijina zat anu tiasa janten tempat urang menta sagala hal, lantaran Allloh jangji bakal ngabulkeun saga pamenta jalmi anu ngadu'a ka Allah, matak urang teu kedah ragu deui. Lamun urang yakin ka Allah, Allah pasti bakal masihan anu sae ka urang. Eta mangrupakeun hiji rahasia sangkan urang hirup bagja.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1151", "text": "Leuwih utamakeun wirausaha barang atawa jasa daripada wirausaha nu bentukna kadaharan. Sabab barang atawa jasa mah di mana euweuh nu meuli oge barangna tetep, moal kadaluwarsa. Tibatan wirausaha kadaharan anu kudu beak saharita atawa aya waktuna kudu diganti. Beda jeung wirausaha barang nu penting mah barang anu ku urang rek jual masih alus ulah nepikeun ka ruksak, jeung deuih sanajan teu ka jual saharita oge masih tetep bisa dijual iraha wae oge. Lantaran pernah kaalaman ngajual barang anu teu kabeuli aya mangbulan-bulanna, sedengkeun pas jualan kadaharan mah pas harita teu beak teh kudu kapaksa dibeakeun boh eta dipiceun atawa diberekeun kanu sejen.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5860", "text": "Mesin cuci teh jadi salah sahiji alat nu kudu aya di imah sabab mangpaatna gede pisan. Cara make mesin cuci teh gampang pisan, mimiti colokein heula kabelna kana stopkontak. Geus kitu tinggal asupkeun pakean kotor kana tabung pencuci. Tong hilap pakean sabun detergen tuluy eusian mesin pencucina make cai. Mun caina geus cukup ngaeueuman baju, tinggal puterkeun tombol timer pencucianna. Mun geus eureun timerna, buang cai bekas cucian. Tuluy eusian deui tabung pencucian jang ngabilas pakean. Geus kitu cuci sakali deui jeung ngabilas bari bere pewangi. Mun geus beresih, asupkeun pakean kana tabung pengering. Asupkeunna sing rapih, supaya keur diputer teh teu abrug-abrugan. Bari diputer na pengering, bari hurungkeun caina dina mode spin supaya dikeringkan bari dibilas. Mun geus garing mah tinggal dipoekeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4948", "text": "Tuangeun karesep abdi salah sahijina nyaeta ceplok endog. Tuangeun ieu didamelna teu hese, jeung deuih bahan na kur endog hungkul. Ceplok endog biasa oge ditelah kadaharan sajuta umat sabab hampir sadaya jalma teras unggal poe pasti tuang jeung ieu tuangeun. Sanajan simpel tur teu hese, ieu tuangeun teh ngandung sagala rupi gizi nu diperyogikeun ku awak arurang. Dina bobodas endog seueur kandungan gizi dina rupi kalsium, sedengkeun dina kokonengna aya sababaraha gizi sapertos fosfor, kalsium, seng, vitamin D, jeung sajabana. Ku kituna, dina nuang endog teh urang geus meunang vitamin jeng mineral nu sae jang pertumbuhan awak. Sanes wae mantak wareg kana patuangan, tapi oge mantak sehat jeung seger ka urangna. Ah, pokok na mah ceplok endog teh jadi tuangeun paporit pisan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7659", "text": "Di jaman ayeuna mah tos seeur pisan jalmi anu nganggo sosial media, matak teu heran lamun sosial media ieu janten tempat kanggo urang jualan jeung masarkeun barang dagangan urang. Urang ngan tinggal motokeun barang dagangan urang teras dikirim ka sosial media urang, tos seeur jalmi anu tiasa ningal poto dagangan urang. Jalmi anu dekeut jeung jauh oge tiasa ningal barang dagangan urang. Komo ayeuna mah tos seeur cara kanggo ngirim barang dagangan urang, tiasa ku cara patepang langsung jeung konsumen atawa dikirim make jasa kirim barang. Urang tinggal cicing di imah, ngke barang eta bakal nepi ka hareup imah urang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4109", "text": "Dina ajaran agama mana wae urang salaku hamba atawa umatna di larang anu ngarana sombong mun ceuk paribahasa sunda teu meunang adigung atawa teu meunang nu ngarana riya. Perbuatan Riya di benci ku Allah SWT kusabab niatna lain semata-mata keur Allah SWT tapi keur nu lain. Aya loba macem-macem riya misalna riya dina ucapan saperti urang di haja ngaji atawa sholawat nu alus satari tarikna tapi tujuan ngaji jeung sholawatna lain keur Allah SWT tapi gara gara hayang di tempo hayang di puji ku batur. Meski perbuatan na alus ngaji jeug sholawat tapi ari niat na riya jadi teu alus jeung teu jadi pahala.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8061", "text": "Ekskul silat di SMAN 1 Nagrak nuju muka penerimaan anggota anyar. Saratna teu ribet nu peunting daek diajar tur konsisten. Loba guru di ieu sakola ngarekomendasikeun muridna asup ekskul silat. Asup ka ekskul silat ieu teh tetela loba manfaaatna, sapertos diajar silat nika bisa tur tiasa ngiluan turnamen. Nanging teu kabeh anggota tiasa ngiluan turnamen kusabab aya seleksina oge ari hayang ngiluan turnamen teh. Ekskul silat ti SMAN 1 Nagrak teh saleresna tos kakoncara upami ngiluan perlombaan teh. Minimal juara tilu dimenangkeun ku atlit silat ti ieu SMA. Pokokna manfaat upami ngiluan ieu ekskul. Teu tiasa ngiring turnamen ge nanging menang elmu bela diri.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8837", "text": "Dinten ieu abdi sareng ibu bade nonton pertandingan pun lanceuk, anjeunna ngawakilan sakolana dina lomba renang. Isuk-isuk urang tiluan geus siap-siap indit ti imah, sabab lokasi pertandinganna teh rada jauh ti imah, jeung urang teu hayang telat kana pertandingan. Sateuacan ngamimitian tanding, kuring ningali lanceuk kuring pemanasan sareng ngalambaikeun pananganna ka urang sababaraha kali. Pas dimimitian, kuring jeung indung kuring panyekel leungeun, urang duaan ngadoakeun sangkan pun lanceuk bisa meunang jeung salamet. Sanggeus sababaraha menit ngadagoan, tétéla lanceuk kuring meunang posisi kahiji. Anjeunna seuri bagja, sarta kami ogé seuri reueus. Kuring jeung indung kuring langsung lumpat ka manehna tuluy nangkeupan, ngawilujengkeun manéhna anu parantos meunangkeun pasanggiri renang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "104", "text": "Nuansa Riung Gunung, salah sahiji tempat wisata alam nu aya di Bandung. Harga asup wisatana 10 rebu, urang bisa leuleumpangan dina awi nu geus disadiakeun di tengah-tengah hamparan kebon teh. Ngan ceuk urang mah akses kadieu na hese, kudu ngaliwatan ka leuweung anu sepi jeung jalanna teu rata. Lamun isuk-isuk mah teu nanaon, tapi mun sore atawa peuting bakal keueung sabab jarang aya jelema anu ngaliwat. Fasilitasna oge kurang, kuduna make jaring atawa pembatas di sisi na teh, sabab lumayan luhur katinggianna. Palaur aya nu kagoder, nepi ka labuh sabab ku pasesedekna. Jeung deuih tempatna euweuh indoor, nu matak pas urang kaditu kulit jeung beungeut teh kabakar, karek karasa peutingna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5466", "text": "Unggal jalan-jalan ka luar kota, pasti we nu diboro teh oleh-oleh jang bawaeun ka bumi. Tah, mun nuju jalan-jalan ka Tasikmalaya, tong hilap meser tutug oncom kangge oleh-oleh. Tutug oncom teh salah sahiji kadaharan nu dijieunna tina oncom dibubukkeun. Biasana ngan di daerah Tasikmalaya jeung saitarna hungkul nu aya teh, di daerah lain mah jarang pisan. Tutug oncom teh warna na hideung sabab digorengna make bumbu cikur. Jadi, oncom dibubukeun terus digalokeun jeung bumbu nu dijieunna tina bawang jeung cikur. Geus kitu digoreng nepi ka wanana cokelat semu hideung. Biasa diemamna teh digalokeun jeung sangu haneut, jeung goreng cipe disambelan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7438", "text": "Dibandingkeun jeung laptop, PC atau personal komputer gaduh sababaraha kaleuwihan, nyaeta gaduh pangaos anu leuwih mirah tibatan laptop, padahal fungsi sareng fitur-fiturna sarua persis siga laptop. Personal komputer oge biasana gaduh katahanan anu leuwih kuat tibatan laptop. Teras, lamun aya komponen anu rusak leuwih gampang dibenerkeun, teu sapertos laptop, lamun hiji rusak sadayana kedah dibongkar. Biaya kanggo ngabenerkeun personal komputer oge langkung mirah sapertos hargana anu mirah lantaran leuwih gampang dibongkar jeung dipasang. Kalewihan anu sanesna nyaeta keyboard kanggo personal komputer leuwih gampang digonta-ganti. Teu sapertos laptop anu keyboard-na tos ngahiji jeung layarna. Janten urang tiasa nganggo keyboard nu langkung sae.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5910", "text": "Di zaman nu serba canggih ieu, rupa metode pembayaran oge ngalami perkembangan. Mun baheula mah metode pembayaran teh ngan narima cash jeung kartu, ayeuna mah bisa sagala pembayaran dilakukeun make hape. Biasana aya nu naina barcode, fungsina jang perantara pembayaan. Jadi, mun rek maya teh tinggal muka aplikasi emoney, ebanking, atawa aplikasi dompet digital lainna, tuluy buka menu scan barcode. Geus kitu, scan barcode nu tertera dina toko atawa retail. Tuluy asupkeun jumlah pembayaran nana. Geus kitu tinggal asupkeun sandi jeung konfirmasi pembayaran. Jadi, nanaon teh teu kudu riweuh ngaluarkeun duit dina dompet, cukup ku ketik we dina hape, leuwih efektif jeung efisien.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2303", "text": "Katolik nyaéta agama anu mimiti muncul di kapuloan Maluku kalayan datangna Portugis ka Indonésia kalayan misi néangan bungbu rempah-rempah. Masarakat Maluku ogé jadi pengikut Katolik munggaran di Indonésia. Dumasar data anu dikaluarkeun ku Badan Pusat Statistik, diperkirakeun aya 6,9 juta jalma anu ngagem agama Kristen Katolik di Indonésia, kalayan persentase 2,9 persén tina total penduduk Indonésia sareng mangrupikeun agama katilu panggedéna di Indonésia. Salaku sarana sareng alat pikeun ngajalajah nilai-nilai sareng gaduh pamahaman Iman Katolik. Injil Al kitab nu di jieun ku kardinal kudu luyu jeung nu aya di Vatikan. luyu jeung jungjungan konsili paus, jeung ajaran santo piter. nabi sakaligus paus pertama di kristen katolik.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4013", "text": "Séptémber kamari, kuring jeung kulawarga, jeung indung, bapa, adi urang jeung kuring sorangan, datang ka bioskop pikeun lalajo pilem anu judulna Miracle In Cell No 7. Ieu pilem téh nyaritakeun perjuangan jeung kanyaah budak nu ngaranna Kartika anu dilakonan. ku Graciella Abigail.sarta bapana nu boga kabutuhan husus ngaranna Dodo Rozak, nu di lakonan ku Vino G Bastian. Pilem ieu pikasediheun pisan, hiji studio meunang ningali pilem ieu. Film ieu teh adaptasi ti film korea tahun dua rebu tilu belas, loba negara nu ngadaptasi film ieu termasuk indonesia. Sanggeus nonton filn miracle in cell urang dahar heula ka kfc babarengan tos dahar karek balik ka imah. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5393", "text": "Ngangge jilbab janten salah sahiji kawajiban umat muslimah. Tapi, dina pelaksanaanna teu jarang jilbab teh kapangaruhan ku budaya luar. Dina Islam, jilbab teh kedah nutupan aurat, aurat didieu nyaeta ti ujung rabut dugika ujung kuku sampean, kecuali raray jeung telapak tangan. Zaman ayeuna mah seueur nu ngangge jilbab tapi teu nutupan dada jeung ngangge pakean nu ketat. Tah hal ieu teh kedah dilereskeun deui pamahaman na kana jilbab sabab sapatutna jilbab teh nutupan dada jeung nutupan lekuk tubuh. Pami ngangge keneh acuk ketat mah berarti kedah dipasihan deui pamahaman ngeunaan jilbab. Ku kituna, yuk ah urang perbaiki deui cara berjilbab urang, sasuaikeun eung ajaran Islam nu sahih.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9065", "text": "Léngkah munggaran lamun hayang jualan di Instagram, urang kedah gaduh smartphone anu tiasa dianggo pikeun muka aplikasi Instagram. Ku ngagunakeun smartphone, bakal leuwih gampang pikeun urang ngunggah poto produk. Kadua, nyieun ngaran merk anu pikaresepeun. Ngaran brand teh penting pisan dina proses jualan online di Instagram. Pilih nami merek anu saé, gampang dikenal sareng gampang diinget. Ngaran merek ieu tiasa janten nami akun Instagram urang engkéna. Lamun nyieun ngaran brand ulah teuing hésé, éta bakal hésé pikeun pamakéna pikeun manggihan akun urang sarta bakal hésé pikeun aranjeunna pikeun nginget eta. Anu katilu nyaéta ngeusian profil toko online Instagram sacara lengkep, supados calon pembeli tiasa terang identitas urang. Kaopat, nyieun poto anu unik, menarik, jeung alus. Poto anu saé tiasa narik pembeli dibandingkeun sareng poto anu kualitasna goréng. Sajaba ti éta, ku nyieun poto produk sorangan, pembeli bakal leuwih percaya kana toko online urang. Kalima, nyieun hashtag nu cocog jeung produk anu urang jual. Sangkan produk urang leuwih gampang pikeun manggihan, salawasna make hashtag dina sakabéh tulisan produk urang. Cara anu terakhir nyaéta ngabagi tulisan urang ka akun média sosial anu sanés. Anggo akun média sosial anu sanés pikeun ngamajukeun produk urang. Ku babagi ka média sosial lianna, urang bisa narik konsumén ti sagala rupa kalangan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5363", "text": "Khotbah jumah teh salah sahiji rukun ibadah jumah nu dilaksanakeun waktu dzuhur. Salaku jamaah, urang wajib hukumna ngadangukeun jeung ngaregepkeun khotbah jumah. Sabab, eusi nu ditepikeun nana mangrupa mieling urang dina hal kataqwaan jeung oge pangajak ka rang salaku jamaah supaya ningkatkeun kaimanan. Ulah nepi ka sare di masjid pas jumaahan teh, goreng pisan eta kalakuan teh. Mun khotib nuju ngalaksankeun khotbah, kedah diregepkeun sing tartil. Salian meunang elmu, oge urang bakal meunang pahala. Mun aya nu ngobrol atawa kasarean, buru-buru ku urang toel supaya ngaregepkeun deui. Ulah nepi ka ibadahna teu maksimal sabab ngobrol atawa kasarean pas jumahan. Yuk ah persiapkeun diri sing hade jang nyambut ibadah sholat jumahan teh.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8005", "text": "Seueuer pisan sambel-sambelan nu aya di Indonesia, salah sahiji na nyaeta sambel matah. Ciri khas sambel matah teh nyaeta rasa na nu seger janten cocog pisan didahar sareng kadaharan nu berlemak. Tetela nyieun sambel matah teh gampil sareng bahanna nyaeta bahan nu biasa ddianggo kur nyieun sambel biasana ngan saleresna aya bahan-bahan tambahan nu ngabentenkeun. Bahan utama na mah aya bawang beureum, cabe beureum, cabe hejo, sareng jeruk nipis nu janten ngabentenkeun sareng nyieun ieu sambel seger. Upami nyieun ieu sambel teu kudu make proses ngagoreng kusabab sambel ieu disayogikeun atah-atah ngan ditambahan ku minyak panas hungkul saeutik, kusabab eta sambel ieu namina sambel matah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2332", "text": "Tetep ngajaga silaturahmi sareng baraya komo deui di tempat ibadah sareng réréncangan tiasa dilakukeun ku nganjang atanapi nganjang ka bumina. Sanajan kitu, kudu diperhatikeun yén dina ajaran Islam aya tatakrama anu kudu dijaga nalika nganjang.\r\n1. Jadi sopan tur nutup sungut anjeun\r\nSopan santun dina paripolah jeung omonganana dilakukeun pikeun ngajénan jeung ngahargaan ka nu resepsionis atawa nu boga imah. Sajaba ti éta, ieu ogé bisa nyegah urang tina lampah nu nyigeung atawa menyakiti batur.\r\n2. Nengetan wates waktu nganjang\r\nSalian ti nganjang dina waktu anu pas, urang ogé kudu merhatikeun wates waktu nganjang. Sabab lamun lila teuing aya nu nganjang, dipikahariwang bakal mere rasa keuheul jeung ngabeuratkeun resepsionis. Sakumaha dawuhan Nabi ﷺ:\r\n\"Ngagungkeun sémah téh tilu poé, sakumaha ngamulyakeun manéhna sapoe sapeuting jeung teu halal jalma muslim cicing di imah dulurna nepi ka nganyenyerikeun dirina.\" Para sahabat ngadawuh: \"Ya Rasulullah, kumaha carana nganyenyeri anjeunna?\" Rosululloh ﷺ ngadawuh, \"Tamu teh cicing di sisi manehna bari teu boga naon-naon pikeun ngahibur tamuna\". (HR Baihaqi).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9038", "text": "Mimitina mah kuring teh rek nyoba-nyoba nyieun stik tahu keur jajanan barudak. Lumayan keur nambah-nambah resiko dapur. Eeeh geningan adonana encer teuing. Mimitina mah bingung kudu dikumahakeun adonan nu kaenceran teh. Teu pati lila mikir, kuring manggih ide. Adonan nu kaenceran teh rek dijadikeun kremesan, jadi weh kremesan tahu. Alhamdulillah, poe kahiji meunang 12 bungkus. Ngan rada hanjelu alatan nu payu ukur satengahna. Atuh ukur balik modal wungkul jualan teh. Sesana didalahar ku barudak. Poe isukanna deui, meunang 20 bungkus da aya babaturan nu pesen. Alhamdulillah tina 20 bungkus, sesa 5 bungkus. Ayeuna mah sesana teu didalahar ku barudak. Alhamdulillah, sok sanajan batina teu pati gede tina jualan kremesan tahu teh, tapi ku ngeureuyeuhmah aya oge beubeunangana.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5100", "text": "Tilu film nu cocok ditonton pas liburan. Nu kahiji nyaeta film Pertaruhan. Film ieu ngisahkeun sakulawarga nu eusina lalaki kabeh. Unggal individu mentingkeun kumaha carana boga duit jang kabutuhan bapakna. Alurna teu bisa ditebak, jadi rame pisan. Tuluy nu kadua nyaeta film Bumi Manusia. Film ieu diangkat tina novel Bumi Manusia karya Pramudya Ananta Toer. Kisahna nyaritakeun percintaan pribumi jeung katurunan Walanda nu kapisahkeun ku aturan panjajahan nu nguntungkeun Walanda. Nu terakhir nyaeta film hangout. Film ieu nyaritakeun sakulawarga nu keur liburan ka pulau. Tapi, makin hari kajadian aneh datang teu pararuguh. Tah alurna teh lumayan hese ditebak. Ngan sakitu film nu dibahas ayeuna, sambung deui lain waktu, nya.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6761", "text": "Parahu kaasup salah sahiji kandaraan cai anu dipake pikeun meuntas laut, walungan, situ, jeung sajabana anu populer di kalangan wisatawan. Parahu tiasa dijieun tina rupa-rupa bahan, aya nu ti kai, awi, jeung bahan lianna. Parahu biasana gaduh hiji atanapi langkung mesin anu dianggo pikeun ngadorong parahu. Salian ti eta, parahu oge tiasa dilengkepan ku rupa-rupa pakakas navigasi saperti kompas, GPS, jeung sajabana. Parahu oge tiasa dianggo pikeun sagala rupa kaperluan, sapertos balayar, moro, jeung kemping. Aya seeur jenis parahu, aya parahu leutik anu ngan tiasa dipake ku hiji jalmi. Aya oge parahu badag anu biasana dipake ku pamayang kanggo ngala lauk.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5845", "text": "Unggal isuk-isuk teh Bapak Andi mah sok nonton berita dina TV. Mun sakali katinggaleun berita teh sok kukulutus bari ngutruk teu pararuguh sabab asa teu update. Jeung Bapak Andi mah nonton berita teh mangrupakeun salah sahiji kawajiban unggal isuk dina ngongsong aktivitas sapopoe. Mun geus nonton berita mah asa reugreug rarasaan na teh. Hiji poe mah mati lampu isuk-isuk teh sabab aya nu konslet tina garduna. Bapak Andi buru-buru neangan tukang koran keliling jang meser koran terbaru. Berita teh wajib pisan ditonton supaya bisa apal situasi terkini tina kaayaan sosial di nagara Indonesia. Hal ieu teh geus jadi kabiasaan Bapak Andi ti basa keur ngora keneh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2795", "text": "Keur ibu-ibu mageran siga kuring mah ngan pilihan jalma vs oven listrik, jawabanna jelas oven listrik. Upami aya pilihan oven gas, abdi resep oven gas (hanjakalna teu di pilihan, hehe). Kaunggulan sareng kalemahan oven tangkring sareng oven listrik seueur ulasan dina Google. Sagampil pondok pangalaman newbie kuring di dunya baking, hal paling krusial anu oven tangkring teu boga nyaeta setelan seuneu luhur-handap. Sababaraha kali kuring nyobian oven tangkring, kuring sok ngalaman kasusah pikeun ngahontal tingkat doneness anu dipikahoyong. Contona, nalika baking macaroni schotel, abdi biasana resep luhurna rada garing sarta coklat. Upami dipanggang nganggo oven listrik, nalika makaroni parantos asak, kuring pareumkeun seuneu anu handap teras kuring teras-terasan dipanggang ku seuneu anu luhur waé dugi ka éfék pencoklatan anu dipikahoyong. Tapi ku oven tangkring, nalika bagian luhur mimiti coklat, handap geus kaduruk.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "479", "text": "Akhlak nyaeta bentuk ngarealisasikeun akidah jeung ibadah ngaliwatan amal kasaean nu didasarkeun ka Allah SWT. Amal jadi eunteung tina budi pekerti, sarta etika muslim kana ajaran Islam nu geus dipelajarina. Ngameh mibogaan akhlak nu alus, penting pisan jang belajar elmu akhlak. Sababaraha mangpaatna nyaeta, asup ka sawarga. Ngameh bisa asup ka sawarga, umat Islam teu ngan saukur diparentahkeun jang ngalobakeun ibadah, tapi oge kudu mibogaan akhlak anu sae. Oge meunangkeun kasalametan di poe akhir, sagala nu aya di dunya ieu ngan samentara, kitu oge elmu duniawi nu salila ieu manusa diajar. Jadi salah sahiji cara jang meunangkeun kasalametan di poe akhir nyaeta ku mibogaan akhlak nu mulia.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7194", "text": "Dina masarakat agraris, peran tokoh adat kacida nonjolna dina sagala rupa aspek kahirupan, diantarana aspek sosial, ekonomi, politik jeung budaya. Dina widang sosial, tokoh adat diposisikan minangka penentu ajen-inajen kajujuran, kabeneran, kaadilan, kahadean jeung sajabana. Dina widang ekonomi, para tokoh adat leuwih loba patalina jeung pasualan kapamilikan lahan jeung ingon-ingon, oge jadi sumber informasi jeung legitimasi pikeun ngamangpaatkeun sumber daya produktif di masarakat nalika rek dimangpaatkeun. Dina widang pulitik, peran tokoh adat pohara gede pangaruhna dina ngawangun paripolah pemilu masarakat, sabab pamingpin tradisional mangrupa panutan ajen-inajen, boga peran anu kacida pentingna dina ngajak, ngadorong, ngarahkeun, jeung mutuskeun pilihan pulitik pikeun ngarojong hiji calon nu tangtu atawa partey pulitik dina Pilkada.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4137", "text": "Lebaran idul fitri poe anu terkenal sabage hari besar umat islam komo di indonesia, idul fitri di rayakeun sacara istimewa jeung gde gedean pisan nepika aya tradisi anu ngarana mudik. Tradisi mulih ka udik atawa balik ka lembur, sakabeh jelema hayang ngarayakeun lebaran jeung sakabeh dulurna di lembur matakna di belaan rek kumaha oge pokona bisa balik bae sesedekan atawa kumaha teu padulu nu penting bisa lebaran di lembur. Idul fitri nyaeta hari kameunangan, hari dimana akhirna urang meunag ngalawan hawa napsu urang salila puasa 30 poe di bulan ramadhan, matakna di rayakeun pisan masak sagala rupa jeung make baju anyar. Dina makna idul firi ieu di hareupkeun urang balik jadi jalma kana kaayaan suci atawa leupas tina sagala dosa, kasalahan, kagorengan, jeung kagorengan sangkan aya dina kasucian atawa fitrah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9356", "text": "Panaliti anyar ti Universitas Saskatchewan nunjukkeun yén maén kaulinan onlie gratis atanapi mayar tiasa ngajaga kaséhatan méntal hiji jalma. Salah sahiji peran kaulinan dina ngajaga kaséhatan méntal nyaéta kamampuhan pikeun ngawangun sambungan antara pamaén. Ayeuna loba kaulinan anu berbasis online, hartina pamaén bisa saling komunikasi, malah bisa oge kolaborasi. Jaringan komunikasi ogé mampuh ngabentuk jaringan kemitraan. Salian ti éta, kasuksesan pamaén kaulinan dina nyanghareupan rupa-rupa tangtangan téh bisa ngahasilkeun hormon senang sangkan awak jadi leuwih rileks. Maén kaulinan miboga éfék tenang sarta bisa ngajak hiji jalma pikeun jadi leuwih yakin yén manéhna téh bisa ngadalikeun sagala hal anu dihareupan ku manehna. Sacara umum, jalma bisa nalangsara setrés, kusabab ngarasa kurang bisa ngadalikeun kaayaan emosi anu dihareupan ku maranéhna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1839", "text": "Sarapan mangrupa kagiatan anu jadi sarat utama dina ngalaksanakeun sagala kagiatan sapopoé. kaula tiasa nyaluyukeun asupan menu sarapan isuk-isuk dumasar kana pilihan anjeun nalika anjeun badé ngonsumsi supados tiasa ngalaksanakeun sagala kagiatan dugi ka siang. salah sahiji nu cocok jang sarapan nyaeta: bubur hayam, pasti kaula wawuh pikeun ngadangu sareng ningali bubur, sanés? Leres, bubur hayam mangrupikeun salah sahiji menu sarapan isuk-isuk anu cukup populer di kalangan masarakat Indonésia. Di Indonésia sorangan, aya sababaraha jinis bubur anu tiasa dipendakan dimana waé sareng tangtos anjeun tiasa nyobian di bumi sewang-sewangan. Upami anjeun bosen sareng eusian bubur hayam anu sami, kaula tiasa madupadankeun bubur jeung berkreasi pikeun milarian solusi menu resep bubur hayam kanggo sarapan isuk-isuk nu unik tibatan nu lianna. hal eta mangrupakeun baktos ai bubur hayam mangrupa kadaharan sarapan nu cocok jang kaula.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4146", "text": "Weda nyaéta kitab suci agama Hindu anu eusina kumpulan sastra kuno ti India kuno. Umat ​​Hindu percaya yén eusi Weda mangrupa kumpulan wahyu ti Brahman atawa pangawasa pangluhurna dina konsép ketuhanan Hindu. Dina awal wahyu, Weda diajarkeun ku sistem lisan atawa pangajaran ku lisan, sabab teu wawuh jeung sistem tulisan. Ku alatan éta, Weda dipercaya minangka literatur pangkolotna dina peradaban manusa nepi ka kiwari. Turunna Weda aya hubunganana sareng jaman Weda dina fase perkembangan agama Hindu. Weda diturunkeun ku Ida Sang Hyang Widhi ka Maha Sri dina jangka waktu anu pohara lila. Kecap \"Veda\" asalna tina akar kecap dina basa Sansekerta, nyaéta \"Vid\", anu hartina nyaho. Sagemblengna, Weda bisa dihartikeun minangka pangaweruh suci ti Sang Hyang Widhi Wasa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8833", "text": "Ku jalan sapédah sahenteuna 30 menit saban poé, ogé bisa meunangkeun rupa-rupa mangpaat anu hadé pikeun kaséhatan awak. Kahiji, nyaéta ngajaga kaséhatan jantung jeung pembuluh darah. Bersepeda tiasa ngaoptimalkeun kinerja sistem kardiovaskular, nyaéta jantung sareng pembuluh darah, ku nguatkeun otot jantung sareng ningkatkeun sirkulasi getih ka sakumna awak. Kalayan kinerja sistem kardiovaskular anu saé, résiko stroke, serangan jantung sareng tekanan darah tinggi tiasa ngirangan. Kadua, nyaéta ngajaga kaséhatan otot jeung sendi. Bersepeda bisa nguatkeun otot suku, imbit, pingping, anak sapi, hips, beuteung, leungeun jeung taktak. Henteu ngan éta, sapedahan ogé alus pikeun sendi sarta geus ditémbongkeun mangpaatna pikeun jalma kalawan osteoarthritis. Katilu, ngurangan résiko diabetes jeung kanker. Salah sahiji kauntungan anu sanés tina bersepeda nyaéta ngirangan résiko ngembangkeun diabetes tipe 2. Ieu kusabab bersepeda tiasa ngajaga stabilitas produksi hormon insulin dina awak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8052", "text": "Handgrip mangrupikeun alat leutik anu biasana dianggo pikeun ngalatih kakuatan otot sareng daya tahan dina panangan sareng panangan. Kieu kumaha cara ngagunakeun genggaman pikeun ngalatih otot panangan anjeun. Candak keupeul ku duanana leungeun anjeun sarta nempatkeun eta di tengah palem anjeun. Keupeul ramo anjeun pageuh sabudeureun cekelan. Tahan gagang leungeun pageuh tur remes ramo anjeun sacaket mungkin pikeun sababaraha detik. Sanggeus sababaraha detik, lalaunan leupaskeun cekelan dina cekelan jeung balikkeun ramo anjeun ka posisi awal. Ngulang latihan ieu saloba anjeun tiasa. Nalika nganggo keupeul, pastikeun anjeun nyepengana pageuh sareng ulah ngantepkeunana tina panangan anjeun. Anjeun oge bisa nyobaan variasi beda tina latihan handgrip.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3957", "text": "Orchid Forest Cikole nyaeta sllah sahiji wisata alam atawa destinasi anu pernah virall kamari kamari di bandung. Orchid forest cikole viral sabab pemandangana alus alus pisan jeung instagramable. Jadi na loba batur nu jauh jauh ngahajakeun datang ka orchid forest cikole keur foto. Orchid forest sabenerna wisata alam hutan pinus nu di tata sakumaha alus na jeung d tambahan ornmen ornamen neh nambahan alus na pemadangan didinya. Tiket asup ka orchid forest cikole teh cukup murah jeung emang cocok pisan jeund di peruntukan keur kawala muda nu rek nongkrong jeung santai di orchid forest cikole ieu. Salain ti pemandangan hutan pinus aya babaraha spot foto lain anu teu eleh alusna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4031", "text": "Hobi Masak makanan nyaeta hobi nu paling sering di rasakeun, boh kapaksa boh emang resep awalna jadina hobi. Maak mangrupa hobi nu paling deuket di masarakat soalna unggal poe pasti di lakukeun da butuh dahar komo ibu-ibu masak teh nya ges jadi kawajban. Dina hobi masak sabenerna loba mangfaat na bisa kabatur jeung ka diri sorangan mangfaatna. Keur kabatur utamana kulawarga jalma nuhobi masak bisa nyehatkeun dina masakana soalna sagala nu di masak sorangan pasti leuwih sehat teu make pengawet ari mangfaat ka diri sorangan hobi masak bisa di jadikeun peluang bisnis bisa ngahasilkeun. Bisnis dahareun nyaeta bisnis nu paling aman soalna kabeh jelema butuh dahar. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3840", "text": "Kueh cubit salah sahiji jajanan populer ti jaman baheula, nu nepi ka ayeuna aya keneh karna loba nu resepeun. kue cubit baheula teu make rasa nu macem macem, tapi jaman ayeuna kue cubit loba pilihan varian na boh tina rasa, warna na, ukuran na, nepi ka cara ngasakan nana. Kueh cubit jaman ayeuna boga loba rasa saperti, rasa coklat, rasa pandan, rasa keju, rasa green tea, rasana ge bisa di campur msalkeu jadi rasa coklat keju. Salian ti rasa kue cubit jaman ayeuna oge bisa make toping saperti seres atawa susu kental manis. Warna na ge nyesuaikeun jeung rasa na, Ayeuna mun pesen kue cubit bisa menta kue cubitna hayang mateng atawa setengah mateng", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5384", "text": "Minggu siang Rendi ngiringan kajian di Masjid Al-Hikam. Salah sahiji point ceramahna teh nyaeta ngabahas kautamaan sedekah. Barangsaha nu ngalakukeun sedekah, bakal Allah lipat gandakeun rezekina. Dina ngalaksanakeun nana oge kedah dipaparinan ku rasa ikhlas jeung niatkeun kangge ibadah ka Allah SWT. Ti harita, Rendi jadi sering ngalakukeun sedekah ka warga sekelilingna nu leuwih ngabutuhkeun. Rendi yakin pisan dina balasan sedekah, salian oge rezekina dilipat gandakeun, oge kenging doa nu harade ti jalma nu nampana. Rendi janten leuwih sumanget ngajalankeun amalan ieu, sabab sacara teu langsung nimbulkeun kabagjaan jeung Rendi pribadi. Janten ieu sedekah teh dijadikeun hobi nu tara kaliwat ku Rendi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6637", "text": "Seeur jalmi nu sok ngadahar gehu tapi teu apal singkatan nana. Gehu aslina singkatan ti \"goreng tahu\" ku sabab bahan ngadamelna ti tahu. Cara ngadamel tahu teu pati sesah. Cekap siapkeun tahu, toge sareng tarigu. Kahiji lebetkeun toge ka jero tahu. Tahu anu dipake biasana tahu coklat sanes tahu koneng. Upami tos seep toge na, tos diasupkeun sadayana ka tahu urang siapkeun adonan baseuhna. Tinggal campurkeun tarigu jeung uyah teras ditambihan cai nepikeun janten adonan. Terakhir balurkeun tahu ka adonan baseuh teras digoreng di minyak panas. Tong hilap dibulak-balik supados teu gosong. Jaman ayeuna aya inovasi gehu anu kasohor nyaeta gehu pedas jeletot anu rasana leuwih lada jeung gurih, biasana eusian nana make engkol anu tos ditumis make bungbu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "478", "text": "Ibadah jadi inti ajaran Islam nu sifatna lahiriah jeung mangrupakeun wujud tina akidah hamba Allah SWT. Dua-duana silih ngalengkepan, sabab iman aya dina jiwa oge roh jelema, sedengkeun ibadah dina fisikna. Jang meunangkeun mangpaat ibadah kudu dumasar kana niat jeung sumanget nu soson-soson, ngarti kana prinsip-prinsipna, jeung tujuan-tujuanna. Mangpaat paling utama dina ngalakukeun ibadah nyaeta meunangkeun ridhona Allah. Sabab euweuh nu leuwih berharga salian ti meunangkeun ridho Allah SWT. Karidhoan Allah ka sagala amal ibadah nu dilakukeun manusa jadi tujuan sakaligus jeung panto utama dibukana nikmat, rezeki, jeung rohmat Allah. Ibadah kudu nganterkeun jelema anu migawena sangkan mibogaan akhlak nu luhur jeung mulia ka sasama makhluk Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8298", "text": "Ulah sok kadahar rayuan-rayuan pikeun bisnis online tur urang asup teu make persiapan nanaon. Hayu urang pikanyaho heula tantangan-tantangan upami bisnis sacara online teh. Anjeun kedah bersaing sareng rebuan usaha online anu sami ti sakumna Indonesia. Ku alatan eta anjeun kedah gaduh keunikan atanapi langkung seueur titik jual pikeun meunang kompetisi dina bisnis online. Dina bisnis online, anjeun sareng konsumen anjeun oge rentan pisan diserang ku kajahatan online atanapi kajahatan cyber. Mimitian ti ngabocorkeun data pamake di pasar, scammers posing salaku pembeli, nepi ka situs web toko online nu geus diacak-acak kalawan hackers. Dunya internet ngembang pesat pisan. Pangaruhna nyaeta, upami anjeun henteu enggal-enggal sareng pangaweruh bisnis online énggal, anjeun bakal ditinggalkeun ku pesaing anjeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7665", "text": "Sateuacan jualan online, aya sababaraha hal anu kedah dilakukeun supados bisnis urang sukses. Anu kahiji nyaeta urang kedah mutuskeun heula barang naon anu bakal urang ical. Urang tiasa ngical barang sapertos kabutuhan sapopoe atau oge tiasa nawiskeun jasa sapertos pang ngadamelkeun gambar. Pastikeun yen barang jeung jasa anu urang ical teh sasuai jeung kahoyong jeung kasresep urang. Ulan ngical barang anu urang teu resep. Kumaha carana urang ngical barang anu urang sorangan oge teu daek meser, pasti urang bakal hese masarkeunna lantaran moal percaya diri. Lamun urang resep kana barang urang sorangan, urang oge pasti bakal mineng masarkeun ka batur jeung ngabibita batur supados meser barang anu urang ical. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9480", "text": "Indra jeung babaturanna, Aziz indit liburan ka Yogyakarta. Rencanana, manehna duaan dek liburan ala backpacker. Jadi, teu loba babawaan anu disiapkeun. Shubuh-shubuh, Indra jeung Aziz geus aya di stasiun Bandung. Ngadagoan kareta ka Yogyakarta. Tujuh jam di jalan, akhirna Indra jeung Aziz nepi di Stasiun Lempuyangan. Ti dinya manehna langsung indit ka penginapan, istirahat saacan peutingna maranehna duaan nyaba ka sababaraha tempat di Yogya. Malioboro jadi tempat mimiti anu dianjangan. Kulineran di sapanjang jalan Malioboro, naek beca ngurilingan eta tempat, nepika mekel Bakpia ti toko nu paling kasohor di Malioboro. Saberes eta, Indra jeung Aziz balik ka penginapan lantaran isuk-isukna, manehna duaan dek manggihan babaturan SMA-na anu ngekos jeung kuliah di Yogyakarta. Indra jeung Aziz ngarasa, liburan ieu beda jeung liburan sacanna. Marenehna ngarasa leuwih bebas nyaba kamamana ku lantaran backpacking jadi teu loba babawaan jeung teu ngarancanakeun tempat wisata nu bakal disaba.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8006", "text": "Siti resep pisan waluh sepan. Keur leutik kulawargi Siti teh teu gaduh artos seueur, upami dahar oge saayana. Unggal bulan romadon, indungna Siti ngusahakeun nyumbang kadaharan jeung buka ka masjid hareupeun imah na. Kusabab teu gaduh artos seueur, nu tiasa dibere ku indungna ngan waluh sepan. Siti nu biasa mawa eta kadaharan ka masjid, nanging Siti oge nu biasa ngabeakeun eta kadaharan kusabab teu seueur jalmi nu daek ngadahar. Dua tahun ka tukang indungna Siti pupus, keur ngubaran sono ka indungna unggal bulan romadon oge Siti nyieunan waluh sepan. Benten waluh sepanna didahar nyalira. Kusabab beuki sareng sonona saloba naon ge waluh sepan pasti beak didahar ku Siti. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1993", "text": "Pikeun petualang anu hoyong nganjang ka Pulo Bali ku cara anu béda, salah sahiji cara nyaéta ku jalan backpackeran, anjeun tiasa nganggo jalur darat ka Pulo Bali. Anjeun tiasa ngarasakeun lalampahan panjang tur capé kalayan tetempoan geulis tur pangalaman seru bari anjeun dina perjalanan. Ku kituna, di handap ieu, kuring baris ngabejaan Anjeun tentang rute, rute jeung kandaraan anu bisa dipaké pikeun indit ka Bali ngaliwatan darat. . Salian ti diwangun ku pulo Bali, propinsi Bali ogé diwangun ku pulo-pulo leutik sabudeureunana, nyaéta Pulo Nusa Penida, Pulo Nusa Lembongan, Pulo Nusa Ceningan, Pulo Serangan jeung Pulo Menjangan. kumargi kitu cocok jang backpackeran.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "53", "text": "Lamun inget odading, pasti ingetna ka Odading Mang Oleh. Odading nu viral pas jamanna. Odading nu awalna ngan dikonsumsi polos, ayeuna mah geus loba rupa-rupa rasa. Odading dilumuri ku rupa-rupa saos cokelat jeung toping nu nyieun tampilan odading beuki menarik. Rasa nu henteu terlalu amis dina adonan odading terus dihijikeun jeung saos cokelat di luhurna nu nyieun dahareun ieu rasa amisna jadi pas. Salian ti rasa cokelat, aya oge rasa tiramisu, stroberi, green tea, jeung chocomaltine. Hargana oge kajangkau pisan nyaeta Rp 15.000 nepi Rp 19.000. Ukuran Odadingna ge lumayan gede nyaeta kira-kira 20 cm. Anu matak bakal wareg ngadahar hiji wae oge.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2282", "text": "Janten kumaha urang tobat? Coba ku léngkah-léngkah anu hampang. Kahiji niat ninggalkeun amal, kadua nyuhunkeun ampun ka Allah subhanahu wa ta'ala kana kalakuan anu teu kedah urang laksanakeun. Maca kalimah istighfar saperti astagfirullahal 'adzim, jeung sajabana. Anu leuwih penting, nalika ngalaksanakeun sayyidul istighfar anu diwulangkeun ku Rasulullah SAW: اَللَّHartosna: “Ya Allah, Anjeun Pangéran abdi. Teu aya tuhan anu disembah salian ti Anjeun. Anjeun nyiptakeun kuring. Abdi abdi anjeun. Abdi aya dina paréntah sareng jangji anjeun sabisa-bisa. Abdi nyalindung ka Anjeun tina kajahatan anu abdi lakukeun. Ka Anjeun, abdi ngaku sagala nikmat Anjeun ka abdi. Abdi ngaku dosa abdi. Ku kituna punten dihapunten dosa abdi. Saéstuna teu aya anu ngahampura dosa iwal ti Anjeun.\" Jamaah Sholat Jum’at anu dimulyakeun ku Alloh subhanahu wa ta’ala Léngkah katilu anu tiasa urang pigawé pikeun ningkatkeun diri nyaéta syukuran kana ni’mat anu parantos dipaparinkeun ka urang, khususna ni’mat ta’at sareng ibadah anu tiasa urang bawa. kaluar karana ni’mat sareng taufik ti Allah subhanahu wa ta’ala.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8657", "text": "Hiji poe, saurang petualang ngaranna Ryan indit ka gunung pikeun nyobaan dina hiking solo. Anjeunna leres-leres resep alam sareng hoyong ngalaman petualangan anu pikaresepeun. Sanajan kitu, bari dina leumpang, cuaca ujug-ujug jadi goreng jeung Ryan nyimpang tina jalur anjeunna sakuduna dituju. Manehna nyoba neangan jalan balik, tapi leuwih jauh manehna leumpang beuki bingung jeung jauh ti jalan satapak hiking. Isukna, manehna manggihan hiji walungan jeung nuturkeun aliran walungan nepi ka manggihan jalan kaluar ti gunung. Sanajan kitu, Ryan masih boga jalan panjang pikeun ngahontal pakampungan pangcaketna. Tungtungna Ryan junun manggihan jalan kaluar sarta tungtungna balik ka imah aman. Pangalaman eta pisan ngarobih hirupna sareng ngajantenkeun anjeunna langkung ati-ati sareng ngalaman dina ngalakukeun petualangan di alam liar.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6097", "text": "Muka kantin di sakola jadi salah sahiji pilihan terbaik dina ngembangkeun usaha nu minim resiko. Pasalna, muka kantin di sakola mah target pasar na teh nyaeta siswa atawa pelajar, jeung deuih pasti moal aya kata nganjuk atawa ngahutang. Budak sakola mah langsung aya duit aya barang, tara aya nu nganjuk. Mantakna, usaha ieu teh jadi ide alus jang nu hayang usaha tapi mbung nepi ka dianjuk. Ngan, emang mun hayang muka kantin di sakola teh kedah boga kawawuhan jalma di sakola eta, mun henteu mah bakal hese jang asupna. Penghasilanna oge mayeng jeung lumayan gede, malahan mah leuwih ti besaran upah minimun perbulan na teh.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "121", "text": "Ecopark Curug Tilu Rancabali harita anyaran dibuka urang kaditu jeung babaturan SD ngaranna Leni. Urang jeung Leni ti poe kamari na geus janjian rek indit isuk-isuk naek motor. Mun isuk-isuk mah sugan teu mace, maklum poe Minggu jeung anyaran dibuka biasana rame. Di perjalanan hujan panon poe, urang jeung Leni mampir heula ka Indomart. Teu lila lanjut deui. Geus nepi tiditu urang meuli karcis anu harga na 20 rebu hiji jelema. Nyaan weh pas nepi teh geus loba jelema diditu teh. Tapi sabab loba spot jang fotona, jadi masih bisa fofotoan. Aya kana 90 menitan urang jeung Leni diditu. Geus wareg fofotoanna urang jeung Leni balik deui ka imah sewang-sewangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1930", "text": "Tarasi cap jangkar mangrupikeun tarasi nu Istiméwa, tina tarasi hurang ieu nyaéta rasana anu saé pisan, anjeun damel Sambal dicampur sareng cabe rawit, atanapi anjeun masak Sambal cair pikeun hurang janten ngeunah pisan. Hurang ini baunya seger dan seungit seperti hurang tapi pada umumnya tidak seungit hurang, tidak bau tengik dan tidak bau seperti kaos kaki. Seungitna sapertos témpél hurang tapi seger sareng napsu pikeun nambihan kana tuangeun anjeun. Ngokolakeun hurang ieu gampang pisan, malah didahar ku sorangan ge ngeunah, didahar ku sangu panas oge ngeunah, teu kudu digoreng atawa diduruk heula. Tapi lamun diolah ku nambahkeun cabe, bakal leuwih alus. Sakali-kali sobat ti Tegal teh teu daekeun tarasi hurang, tapi pas didahar manehna kacanduan tapi hapunten sok kalobaan padahal abdi masihan sebagian ka rerencangan abdi anu sanesna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4472", "text": "Di Indonésia, kaulinan lompat tali geus biasa sabab bisa kapanggih ampir di sakabeh pelosok nagara, sanajan ngaranna béda. Lompat tali atawa lompat di Indonésia idéntik jeung kaulinan budak awéwé. Di Riau, kaulinan lompat tali disebut Yeye minangka lambang kabébasan jeung lompat tali.Loncatt tali atawa anu sok disebut skipping nyaéta olahraga anu diyakini mujarab pikeun nambahan jangkung jeung ngurangan beurat awak.Loncatan mangrupa kagiatan ngagunakeun tali anu dicekel dina dua leungeun tuluy diayun-ayun ti hulu nepi ka suku bari luncat. Olahraga anu hiji ieu tiasa ngajaga kaséhatan ogé ningkatkeun kakuatan dina awak. Olahraga skipping ogé kawilang gampang sabab bisa dipigawé dimana wae jeung iraha wae lamun urang hoyong jeung bisa jadi kagiatan alus pikeun ngeusi waktu luang. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7371", "text": "Plank mangrupikeun gerakan latihan anu lumayan gampang dilakukeun. Sanajan kitu, paham kana gerakan jeung mangpaat plank samemehh ngalakukeun gerakan ieu sangkan anjeun bisa kahindar ti cidera mangrupakeun hal anu penting. Gerakan plank ampir sarua jeung push-up tapi ngagunakeun leungeun handap salaku rojongana. Latihan ieu efektif pisan pikeun nguatkeun sakabeh otot awak, utamana otot beuteung jeung bagian inti awak. Sajaba ti eta, plank oge bisa ngalatih otot leungeun, suku, dada, tonggong handap jeung cangkeng. Hal ieu ngajadikeun plank bisa dipake salaku gerakan alternatif atawa latihan pikeun saha wae anu hayang boga awak sixpack. Lamun hoyong meunang mangpaat anu maksimal, urang kedah ngalakukeun plank kalayan leres.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5491", "text": "Saha nu teu wawuh kana Tari Merak, tarian asal Jawa Barat nu tos kakoncara kamana-mana. Tah nu kudu diapalkeun dina Tari Merak teh salah sahijina nyaeta nu disebut pola lantai. Pola lantai Tari Merak teh aya tilu. Nu kahiji nyaeta pola lantai melingkar, nu mangrupakeun salah sahiji pola lantai garis lengkung. Dina Tari Merak, pola lantai ieu dilakukeun secara ngalingker jeung nyanghareup ka luar. Nu kadua nyaeta pola lantai horizontal. Dina Tari Merak, pola lantai horizontal dilakukeun ku ngabentang lurus ka kenca jeung ka katuhu. Nu katilu nyaeta pola lantai diagonal. Dina pola lantai ieu, penari gerak ngabentuk formasi ngalintang ti sudut kenca handap ka sudut katuhu luhur jeung sabalikna. Biasana dilakukeunna ku cara pahareup-hareup. Tah sakitu pola lantai nu aya dina Tari Merak teh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5737", "text": "Lalu Muhammad Zohri mangrupakeun salah sahiji atlet atletik kabanggaan Indonesia. Anjeunna lahir di Lombok Utara, 1 Juli 2000. Lalu Muhammad Zohri sering dikenal ku sebutan Zohri. Anjeunna berhasil ngaraih medali emas di kejuaraan atletik lari 100 meter dengan catatan waktu pang gancangna. Zohri berasal ti kulawarga saderhana anu tempat tinggal na teh jauh ti hiruk-pikuk perkotaan. Zohri berhasil janten juara di tingkat Asia tanpa pernah diduga samemehna. Kamenangan Zohri janten surprise paling ngagemparkeun jeung ngabanggakeun bagi saluruh masyarakat Indonesia. Hasil prestasina teh ngahantarkeun Zohri ka keberlanjutan karirna di Indonesia. Prestasi anjeunna nu ngaharumkeun nami Indonesia teh jadi sororan sabab basa kudu naek podium, bahkan anjeunna teu nyandak bendera Indonesia sabab teu nyangka bakal bisa meunang jadi juara.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2651", "text": "Pus ap. Anjeun tiasa ngalatih éta dimana waé. Aya seueur variasi (ratusan), sareng saé éta kalebet kana kategori latihan gabungan (latihan anu ngalibatkeun 2 atanapi langkung kelompok otot & sendi), janten éta bakal ngabantosan anjeun naha tujuan anjeun pikeun leungitna beurat atanapi ngawangun otot. Laksanakeun sabisa-bisa tanpa istirahat tapi anjeun kedah janten FORMULA SAMPURNA (dada lempeng, hips lempeng, suku lempeng). Contona, kiwari anjeun ngan kuat 10-15 kali, nu salajengna / 2 poé sanggeus éta anjeun bisa jadi kuat 20 kali. Minggu hareup meureun 30x kuat geus. Hal ieu disebut kaleuleuwihan progresif, tingkat kasulitan sok ningkat jadi anjeun nantang awak anjeun (otot anjeun) tumuwuh, sabab otot sok adaptasi jeung latihan urang masihan aranjeunna. Grup otot anu dilatih dina push-up (sareng seueur variasina): dada, triceps, taktak, sareng sakedik burih pikeun ngadukung stabilisasi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4487", "text": "Defia Rosmaniar mereun jadi ngaran anu rada asing deui ayeuna, tapi ngaran ieu terkenal pisan di tahun 2018 keur Asian Games di Indonesia, Defia Rosmanar jadi sosok anu di idolakeun kusabab prestasina meunangkeun Medali emas mimiti keur indonesia di cabang olahraga bela diri taekwondo. Salian ti eta defia jadi idola loba jelema khususna kaum muslimah para awewe awewe anu ngagunaken hijab, soalna defia jadi motivasi yen urang bisa tetep ngudag mimpi jeung cita cita urang dina bidang naon wae tapi teu ngaleupas hijab. Hijab lain halangan keur urang ngaraih mimpi nepi ka jadi juara kabanggan sakabeh keluarga jeung tangtuna indonesia. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4257", "text": "Tari Yapong nyaeta tari tradisional anu asalna Jakarta tepatna ti suku betawi. Tari yapong ieu ka asup kana tari pementasan anu ayeuna ges asup kana tari kontemporerjeung loba variasina. Tari yapong ngagambarkeun perasaan gumbira gerakan tarina anu lincah jeung baju na mu meriah di tambah musian jeung laguna anu unik jadi daya tarik tari tradisional yapong ieu. Tari yapong ieu kudu terus di lestarikeun supaya manjang terus jadi budaya anu bisa di turunkeun ka incu ngke na. Urang salaku pemuda kudu ngadukung terus tarian tradiaonal siga kieu supaya tari tarian tradisional teu punah. Nonton tarian tradiional teu eleh keren jeung nonton dance dance nu di luar negeri.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2751", "text": "Tangtosna, jumlah telepon sélulér anu ayeuna beredar mangrupikeun warta anu saé sabab anjeun sareng sadayana tiasa gaduh seueur pilihan. Sanajan kitu, warta goréng téh, sakapeung loba teuing pilihan bisa nyieun anjeun atawa konsumén poténsial séjén bingung ngeunaan milih ponsel. Utamana ayeuna yén ponsel anu beredar gaduh spésifikasi anu béda. Nanging, anjeun teu kedah bingung. Aya cara anu gampang supados anjeun tiasa milih HP anu leres sareng naon anu anjeun peryogikeun. Carana nyaéta maca pituduh pikeun milih HP anu leres di handap. Cara kahiji pikeun milih telepon sélulér nyaéta milih telepon sélulér dumasar kana dana anu anjeun gaduh. Anjeun panginten hoyong telepon sélulér anu berkinerja tinggi tapi mendakan yén anjeun teu gaduh dana anu cekap. Ku kituna, leuwih hade saméméh meuli handphone, nyiapkeun dana heula. Ngan nangtukeun target HP. geus kitu anjuen tiasa nyasar hape nu jadi idaman anjeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3623", "text": "Bareng jeung asupna industri di wewengkon kuring sagalana robah, jalma dina umur ngora leuwih resep gawé di pabrik tinimbang tani, di wewengkon kuring baheula aya bendungan anu kacida gedéna, ngawengku 3 desa, digusur, dieusian pikeun nyieun rupa-rupa industri. di dinya mah kampung oge dikurilingan ku tatangkalan anu rimbun, khususna leuweung awi anu ngurilingan desa, kuring can kungsi karandapan kajadian ubin ngalayang alatan angin topan, waktu warga ngaberesihan ampir 80% awi, sering kajadian ubin ngalayang. Kajadian sanajan kualitas ubin jaman baheula jeung ayeuna beda jauh, masih keneh alus, ari bapa mah baheula boga salembar lahan nu ditumbuhan leuweung awi, tapi tatangga protes lantaran ngotoran imahna, kitu deui. ditegor oge, baheula mah imah kotor sabab daun atawa dahan karek disapu, tapi ayeuna nu boga imah leuwih milih protes, euweuh nu salah, meureun pamikiran baheula jeung ayeuna geus beda, maranehna. langkung milih masang AC kudu ngarasakeun hawa tiis tina ngiuhan tatangkalan tapi daun runtah di imah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2252", "text": "Janten pamimpin agama atanapi tokoh agama anu saé sanés hal anu gampang. Janten kumaha anjeun janten tokoh agama supados jalma nurut ka anjeun? Dina wangenan di handap, baris dijéntrékeun kumaha carana sangkan jadi tokoh agama sangkan masarakat nurut kana dongéng Buya Yahya, pangasuh Pasantrén Al-Bahjah. Kawajiban Tokoh Agama Dina agama, da’wah mangrupa kagiatan anu dilaksanakeun ku pamingpin agama dina ngajak umat agama pikeun salawasna nguatkeun kaimanan, upamana dina agama Islam, pamingpin agama baris ngalaksanakeun dakwah kalawan udagan. ngagero jalma sangkan taqwa ka Alloh SWT. kadua sangkan tiasa jadnten jadi jalma nu tiasa dijantenkeun panutan ka bala rea kudu nyaho yen welas asih jeung toleransi nu alus.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3594", "text": "Podes ngumpulkeun rupa-rupa data anu aya patalina jeung bencana, contona: désa anu ngalaman musibah dina 3 taun ka tukang, antisipasi jeung mitigasi bencana anu geus dilaksanakeun, karuksakan lingkungan akibat bencana, sumber pencemaran lingkungan, ketersediaan prasarana kaséhatan jeung komunikasi. fasilitas, jeung sajabana. Tina data Podes taun 2014, dipikanyaho yén bencana anu pangseringna lumangsung di sagala rupa wewengkon Indonésia nyaéta banjir. Aya 16.830 désa katarajang banjir, lolobana aya di Propinsi Acéh (1.649 désa). Samentara éta, saloba 5.942 désa geus miboga sistem peringatan dini. Kawilang leutik kénéh sabab hartina ngan sakitar 7,2 persén tina jumlah désa anu aya 82.190 désa. \"Punten (stakeholders, ed) nganggo data ieu pikeun peta sacara langkung rinci. Sangkan urang terang persis kaayaan jeung kasiapan désa di Indonésia nalika aya musibah,” saur Sairi.\n\nSalian ti data Podes ngagunakeun pamarekan daerah, aya data Susenas anu ngagunakeun pamarekan rumah tangga. Data jeung informasi anu kaasup kana sabaraha rumah tangga anu ngalaman bencana alam, jenis-jenis bencana alam anu kaalaman, naha rumah tangga geus ngadéngé peringatan bencana, naha aya trauma sanggeus kajadian bencana, jeung sajabana. Dua sumber data BPS éta bisa dieuyeuban ku data sékundér séjénna ti Badan Nasional Penanggulangan Bencana atawa stakeholder séjénna pikeun jadi dadasar program mitigasi bencana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4165", "text": "Salah sahiji ritual kaagamaan satuluyna nyembah karuhun ku umat Hindu di Bali nyaéta Galungan jeung Kuningan. Dua ritual kaagamaan ieu napel hiji-hiji sabab masih runtuyan. Galungan jeung Kuningnan nyaéta poé kameunangan Dharma (kabeneran) ngalawan Adharma (kajahatan). poé pikeun miéling ciptaan alam semesta jeung sagala di jerona). Biasana, Galungan diperingati pikeun ngahijikeun kakuatan spiritual pikeun meunangkeun pikiran jeung dedeg anu tenang, sedengkeun Kuningan mangrupa ibadah ka karuhun (Dewa, Bhatara, jeung Pitara) pikeun ménta kasalametan, karaharjaan, panyalindungan, jeung hidayah jasmani jeung rohani. Galungan dilaksanakeun saban Rebo di Dungulan Wuku, sedengkeun Kuningan dilaksanakeun saban Saptu di Kuningan Wuku. Duanana dirayakeun dua kali (saban 6 bulan sakali) dina sataun kalénder. Sanajan kitu, Poé Kuningan biasana dirayakeun 10 poé sanggeus Poé Galungan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "548", "text": "Senjata ieu teu ngan saukur benda seukeut nu dipake gawe, ngalakukeun acara kaagamaan, atawa jang nangtayungan sorangan hungkul. Aya makna filosofis nu kuat pisan ditukangna. Senjata tradisional ieu dianggap simbol daya magis, kakuatan, kaseukeutan, sarta kawanian utamana jang merjuangkeun hal sarta kabenaran. Ayeuna senjata ieu oge dimaknaan salaku wadah jang neruskeun perjuangan jeung nilai-nilai karuhun. Dianggap salaku simbol kateguhan prinsip jelema jeung hiji bangsa. Maranehna nu nyimpen pusaka ieu diharepkeun jadi sosok nu boga etika, budaya, jeung mikanyaah. Bisa disebutkeun oge dina perjuangan hirup ayeuna, senjata jelema teh nyaeta kamanusaan eta sorangan. Filosofi ieu nu nerap kana senjata tradisional ti Pasundan. Nilai-nilai ieu nu diharepkeun bisa tuluy nepi ka generasi-generasi nu bakal datang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1155", "text": "Gawe di kantor teh mibogaan tempat khusus, biasana tiap jelema mibogaan tempat sewang-sewangan anu disekat ku triplek atawa mibogaan rohangan anu khusus, tapi ieu mah biasana jabatanna leuwih luhur, siga bos atawa manajer. Ieu ngeunaheun sih, soalna pas gawe teh leuwih tenang jeung leuwih konsentrasi teu ka ganggu ku batur, jeung teu kudu ninggali kaditu kadieu. Tuluy di kantor oge sok dibere komputer atawa laptop jang penunjang pagawean. Salian ti komputer, dina meja oge geus disadiakeun buku jeung alat-alat tulis. Jadi leuwih babari mun rek neundeun barang, sabab meja ieu milik urang sorangan. Urang oge bisa nempel sticky notes dina handapeun komputer.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4272", "text": "Sate Marangi masakan has purwakarta nu ges terkenal, Saté Maranggi nyaéta jenis kuliner has Kabupatén Purwakarta anu biasana di jieun tina potongan-potongan daging potong dadu ukuranana kira-kira 1 cm. Potongan-potongan daging dihijikeun sajajar ku cara ditusuk dina tusuk awi ukuranana kira-kira 20 cm anu dibumbuan tuluy dipanggang nepi ka asak. Sabenerna sate maranggi aya 2 pilihan aya nu daging hungkul jeug aya nu di campur jeung gajih atawa lemak. Biasana ate maranggi emang lain di jieun tina daging hunggung matak pas keur di asakan lemak gajihna sok langsung ngaleeh eta nu ngajieun sate maranggi makin ngeunah. bungbuna sate maranggi nyerep kana daging, jadi saté tetep ngeunah sanajan didahar tanpa tambahan bumbu. Hal ku sabab daging pikeun Saté Maranggi direndam ku bungbu saméméh di asakan. Sate maranggi biasana di sajikeun jeung bungbu kecap jeung acar", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8790", "text": "Baheula waktu kuring umur tujuh taun, bapa kuring sok ngajakan kuring jogging ngurilingan komplek. Ampir unggal isuk kuring sok jogging jeung bapa, ceunah jogging teh alus pikeun kasehatan jantung jeung pernapasan urang. Sanajan kuring tunduh keneh oge ai di gugahkeun isuk-suk teh, kuring bungah, margi samemeh lumpat pun bapa sok ngagandong ka payuneun gapura. Nalika kuring lumpat, nu karasa ku kuring nyaeta awak janten seger, sareng pikiran oge janten tenang kusabab kuring ngahirup hawa isuk. Bari lumpat, urang oge bisa ngobrol jeung jalma sabudeureun komplek, salam jeung nanya kumaha aranjeunna, sanajan ngan ukur nanyakeun kabar. Seunggeus jogging, bapa biasana sok pangmeserkeun kuring bubur keur sarapan , jeung teh amis panas salaku inuman. Saprak harita, jogging geus jadi olahraga nu dipikaresep ku kuring, jeung nalika kuring dewasa impian kuring pikeun jadi atlit nasional. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5492", "text": "Hoyong diajar nari tradisional? atau hoyong ngiringan jadi penari tapi umurna acan dewasa? Tenang, ayeuna mah hampir unggal sakola teh aya ekskul seni budaya nu salah sahiji kagiatanna nyaeta tari tradisional. Jadi, mun umurna acan dewasa ge teu nanaon da justru umur budak sakola nu babari napel kana elmu mah, komo ieu elmu gerakan tari. Teu kedah isin atawa minder dina neang elmuna, sabab nanaon ge pasti diajarkeun ti awal heula. Sok geura neang elmu tari tina ekskul ieu mun enya hoyong diajar nari tradisional mah. Lumayan kangge keterampilan diri sareng pangalaman oge. Yuk ah nu teu acan gabung ekskul seni na geura gabungx meungpeung ngora keneh!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1877", "text": "Sanggeus sababaraha kali nyobaan ti sababaraha nu ngajual, es kepal Milo rasana beda, aya nu teu ngeunah pisan sabab amis teuing, aya nu make SKM teu make milo, aya nu amis jeung make milo asli, ayeuna geus aya. ogé sababaraha varian rasa sapertos es krim mangga, nutrisari, sareng greentea. Dina pamanggih kuring, es kepal Milo nu \"Viral\",és krim paling pas kana basa kuring. Saur abdi mah es krim Milo langkung seger tibatan es krim, meureun kumargi esna renyah sareng masih tiasa dikunyah. Tapi kuring meuli topping kacang, oreos jeung milo bubuk, Kuring geus pernah meuli hiji kurma kawas gambar di handap.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9374", "text": "Anu matak pikaresepeun ai di lembur mah nyaeta lamun erek ngabangun imah. Tatanggi teh sok ngabantuan, utamana mah bapa-bapa. Jadi lamun aya nu rek ngabangun imah teh bapa-bapa sok ngarumpul heula samemehna, ngobrolkeun bade kumaha engke imahna jeung naon wae anu diperlukeun jang nyieun imahna. Lamun sagala persiapan geus aya jeung lengkep, karek dipigawe ku bapa-bapa, nu boga imahna ge teu cicing, biasana sok bari ngabantuan oge. Biasana nu boga imahna bakal masihan gorengan jeung kopi salila ngabangun imah. Biasana arurang jeung barudak nu sejen lamun aya nu keur ngabangun imah, sok ulin dina taneuhna atawa nyo’o adukan semen nu aya di dinya, sanajan engkena teh sok dicarek ku bapa atawa ku nu boga imahna. Lamun ngabangun imah di lembur mah tara lila, dua atawa tilu bulan ge biasana mah sok geus bareres. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7440", "text": "Salian ti laptop, aya oge hiji jenis komputer anu biasa dipake, anu bentukna mirip sareng laptop, nyaeta chromebook. Beda antara Chromebook sareng Laptop ngan bakal dirasakeun nalika urang bener-bener ngagunakeunana. Salah sahiji bedana anu paling katembong antara Chromebook sareng laptop aya dina sistem operasina. Salian ti Chromebook, aya dua jinis laptop anu umumna dijual di pasaran, nyaeta laptop Windows sareng MacBook. Sasuai jeung ngaranna, laptop Windows dilengkepan ku sistem operasi Windows jieunan Microsoft. Sedengkeun sistem operasi dina MacBook nyaeta MacOS jieunan Apple. Samentara eta, Chromebook nganggo sistem operasi Chrome OS Google. Hasilna, kinerja mesin oge dirancang pikeun dianggo optimal sareng aplikasi Google. Janten, upami salami ieu urang mineng nganggo produk Google sapertos Google Chrome, Gmail, Google Drive, maka Chromebook mangrupikeun pilihan anu pas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "514", "text": "Naha Indonesia mibogaan imah adat nu beda-beda, sabab rahayat Indonesia mibogaan budaya nu rupa-rupa. Salah sahiji hasil budaya ieu ditunjukkeun ku imah adat. Bentuk imah khas tiap daerahna beda-beda, gumantung ti suku jeung nyaluyukeun kondisi alam wilayah. Pastina ngawangun imah oge nimbang-nimbang arah dumasar kana panon poe sarta arah angin. Tujuanna supaya wangunan tetep sehat. Tiap desainna oge mibogaan makna sorangan, nepikeun ka tata letak rohangan oge diatur sakumaha rupana. Ceuk urang loba mangpaat tina imah adat ieu salah sahijina jadi identitas suku, sabab dina pangwangunanna ngalibatkeun unsur budaya. Proses pangwangunanna oge merhatikeun tiap detail, teu sambarangan. Ngitung-ngitung rupa-rupa aspek siga kagunaan, bahan material, fungsi sosial sarta unsur-unsur tertentu saluyu kabiasaan tiap suku.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1564", "text": "Ngajaga kanyamanan jeung katenangan dina hirup bertetangga mangrupakeun hal nu wajib dilakukeun. Jadi, ulah nyieun riributan nu bisa nimbulkeun masalah siga muter musik anu gandeng teuing atawa nimbulkeun riributeun sejen di waktu istirahat. Sakapeung aya jelema nu ngarasa bebas nyieun riributan ngan ku sabab tatanggana teu pernah protes, tapi hal ieu lain perilaku bertetangga anu alus. Lantaran kumaha wae ge, urang kudu ngajaga kanyamanan tatangga di jam isirahat. Atawa mun misalkeun urang keur ngarenovasi imah, pastina bakal gandeng suasanana, boh eta malu tembok, atawa motong papan make alat nu nyebabkeun gandeng. Urang kudu menta izin heula ka tatangga lantaran rek ngarenovasi imah pasti kagandengan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4102", "text": "Nabi Luth 'alaihis salam hirup dina waktos anu sarua jeung Nabi Ibrahim AS. Dina Al Qur'an Allah ogé sababaraha kali ngagabungkeun carita antara dua. Nabi Luth diutus ka umatna anu ngahubungkeun Allah jeung ngalaksanakeun kalakuan kaji menjijkan nyaéta homoseksualitas. Ku sabab maranehna terus nyimpang, Allah oge ngancurkeun maranehna ku hujan es batu jeung ngalelepkeun maranehna dina taneuh. Allah bersabda, “Jeung (Kami ogé geus ngutus) Luth (ka kaumna). (Inget) nalika anjeunna ngadawuh ka maranehna: \"Naha aranjeun ngalakukeun eta kalakuan faahisyah, anu can pernah dilakukeun ku saha bae (di dunya ieu) samemeh maraneh?\" nepi ka dawuhan-Na \"Jeung Kami nurunkeun hujan (batu) ka maranehna. Maka perhatikeun kumaha ahirna jalma-jalma nu maksiat” (QS. Al A’raf 80-84).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7210", "text": "Bandung kasohor ku jajanan anu seeur pisan. Salah sahiji camilan khas Bandung nyaeta kadaharan anu dijieun tina tipung béas, gula, santan jeung bahan séjénna, nyaeta surabi. Aya dua macem surabi, surabi amis jeung asin. Surabi asin biasana ngangge toping oncom jeung endog, surabi amis biasana ngangge gula bereum. Rasa amis jeung gurih ngajadikeun Surabi Bandung salah sahiji kadaharan favorit di Bandung. Lian ti eta, Surabi Bandung ayeuna mah mineng disuguhkeun ku rupa-rupa topping sapertos coklat, kacang, jeung sajabana. Surabi Bandung oge katelah salah sahiji kadaharan anu kasohor di Bandung. Kadaharan ieu oge sering disayogikeun dina sagala rupa acara sapertos pernikahan, ulang taun, atawa camilan keur sapopoe.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "169", "text": "Green Canyon salah sahiji wisata cai nu aya di Pangandaran. Basa bulan Februari, urang jeung babaturan kaditu nyobaan body rafting nu lilana 2 jam angkleng-angklengan dinu cai tapi teu karasa sabab menikmati perjalananna. Mayar saurangna Rp 200.000, harita urang teh indit 5 an. Harga sakitu geus kaasup fasilitas pelampung, sendal, dokumentasi, jeung transportasi mobil kol dolak jang ngangkut ka tempat awal mulaina body rafting. Oge geus kaasup parahu nu nganteurkeun balik deui ka tempat penyewaan pas mimiti. Pas di tempatna, urang bakal dianteur ku dua guide, nu bakal maturan urang salila ngangkleung di cai. Nu saurang ngarahkeun ngameh teu kabawa arus cai, nu saurang deui leuwih ka dokumentasi tuluy diarahkeun spot-spot jang difoto. Harga sakitu mah kaasup murah jeung puas oge murah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5464", "text": "Kamari abdi jalan-jalan ka Sukabumi sabab bade bari ngalongok nini diditu. Sapanjang perjalanan teh loba pisan nu dagang mochi nepi ka diasong-asongkeun. Abdi can waka meser, da ah ke we mun maju uih nembe meser oleh-oleh kangge nu di bumi. Beres ngalongok nini, abdi tuluy mapir heula ka bumi uwa. Di bumi uwa sempe ngadon emam heula jeung beuleum lauk. Geus beres emam jeung ngobrol, abdi ngalajeungkeun deui perjalanan uih ka bumi. Di tengah jalan, abdi meser heula mochi jang oleh-oleh. Abdi meserna di pasar nu kaliwatan jalur uih. Abdi meser mochi nu eusina kacang hejo jeung nu eusina cokelat. Ah, mochi teh ngeunah pisan rasana. Abdi meserna rada seueuran, sabab salian ti stok cemilan di bumi, oge dibagikeun ka tatangga saalit ewang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4173", "text": "Vihara nyaéta imah ibadah keur agama Budha atawa bisa ogé disebut kuil atawa pagoda mangrupikeun tempat ibadah pikeun penganut Taoisme sareng Kong Hu Cu. Tapi di Indonesia mah, ku sabab jalma anu asup ka biara/candi/pagoda umumna etnis Tionghoa, jadi rada hese ngabedakeunana, sabab sinkretisme umumna geus lumangsung antara Budha, pagodas jeung biara dina dasarna béda arsitektur, jalma jeung fungsi. Pagoda dasarna mibanda arsitéktur tradisional Cina jeung fungsina salaku tempat pikeun kagiatan sosial salian fungsi spiritual na. Biara arsitéktur lokal sareng biasana ngagaduhan fungsi spiritual wungkul. Sanajan kitu, aya ogé biara jeung arsitektur tradisional Cina, kayaning kuil Budha Mahayana, nu asalna di Cina.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9454", "text": "Hayu, nganjang ka Danau Toba, salah sahiji danau pangendahna di Indonesia, ayana di Sumatera Utara! Danau Toba mangrupikeun danau vulkanik panggedena di dunya anu ngagaduhan panorama anu endah sareng alam anu alami tur kajaga alamina. Di Danau Toba, anjeun tiasa ngaraosan kagiatan sapertos ngojay, mancing, sareng leumpang ngurilingan danau. Salian ti eta, Danau Toba oge jadi tempat anu cocok pikeun liburan jeung kulawarga atawa babaturan. Ulah nepika kaliwat kasempetan pikeun ngarasakeun pamandangan nu endah tur alam anu asri di Danau Toba. Ngarasaan pangalaman anu moal bisa dihilapkeun di salah sahiji tujuan wisata alam anu pangsaena di Indonesia. Hayu, langsung hubungi kami kanggo inpormasi lengkep sareng pesen tiket perjalanan ka Danau Toba ayeuna!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8027", "text": "Lalajo film di bioskop teh rasana benten pisan sareng lalajo film di tv atawa di laptop. Di bioskop, arurang lalajo di tempat nu merenah kusabab diuk dina korsi nu bahanna geunaheun sareng tempatna di-ac janten sanajan loba jeleme ge arurang teu hareudang di jero bioskop. Layarna ageung janten upami keur nonton arurang sarasa aya dina jero filmna, karasa na siga ningali langsung kajadian nu aya dina film. Lalajo di bioskop mah sorana atos pasti jelas tur bersih kusabab kualitas speakerna ajib, ditambih ku ruangan bioskop nu kedap sora janten sora ti luar bioskop teu tiasa kadangu janten khidmat fokus lalajo filmna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "801", "text": "Sigana mah tiap lalaki keur leutikna pasti resep mengbal. Ari baheula mah sabab euwuh tempat kawas ayeuna siga tempat futsal, jadi mengbalna teh di lapangan urut sawah nu geus dipanen. Biasana lamun sawah geus dipanes, urang jeung barudak ngahaja mawa heula arit meh urut panenna bisa dituaran. Lamun teu kitu engke bolana nyangked tina urut panen eta. Sok ngahaja oge nuar tangkai awi di leuweung gunung jang paranti gawangna. Mengbal teh sok sapoe jeput, biasana geus balik sakola, dahar heula diimah sakeudeung tuluy nyampeur babaturan. Balik-balik deui ka imah teh sok pas adzan magrib, atawa sok disampeur ku indung mamawa sapu lantaran mengbal wae.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4603", "text": "Pungsi televisi sarua jeung média massa séjénna (koran, majalah, tabloid, jeung radio siaran) nyaéta méré informasi, ngadidik,kanyamanan sarta ngolo-ngolo. Tapi fungsi entertaining leuwih dominan dina média televisi. Ciri utama televisi nyaéta audio-visual, nyaéta bisa ditingali sarta sakaligus bisa kadéngé. Jadi tina segi pangaruh atawa pangaruh kana masarakat jelas saeutik kuat batan épék média massa nyitak. Jenis siaran televisi anu loba mangaruhan barudak nyaéta siaran televisi anu ngandung unsur konsumerisme, mistisisme, seks jeung kekerasan. Tipe Film aksi heroik (pahlawan) sok narik perhatian jeung dipikaresep ku barudak. Barudak lalajo program televisi nu mintonkeun adegan kekerasanleuwih kahayang pikeun ngalakukeun kekerasan, dibandingkeun jeung barudak anu nonton program nétral (henteu ngandung unsur kekerasan)warta jeung sajabana nu ngajadikeun barudak sok hayang nyaho sagala hal. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "77", "text": "Katel peralatan dapur anu babari tutung. Lamun boga katel nu tutung, ulah langsung dipiceun. Sabab aya cara-carana. Nu kahiji make minyak kalapa, tinggal ngoleskeun minyak kalapa kana katel anu aya kerakan, geus eta cicingkeun dua jam nepi kerak jeung noda tutungna kaangkat, salajengna tinggal diberesihkeun. Cara nu kadua di keueum ku jeruk nipis atawa lemon, siapkeun cai nu ngagolak ka baskom tuluy bere perasan jeruk nipis galokeun nepi rata. Keueum katel nepika sapeuting supaya nodana leungit jeung babari ngumbahna. Cara nu terakhir bisa ngagunakeun cai soda ka bagian nu tutung, tuluy godog nepika ngagolak. Asupkeun katel kana cai soda tuluy tinggal digosok.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6098", "text": "Jadi pengusaha teh mangrupakeun cita-cita sabagean jalma anu emang resep nekunan nana. Mun jadi pengusaha teh kudu gaduh mental baja, tahan tina sagala rupa terpaan dina ngarintis jeung ngajalankeun usahana. Ayeuna mah seueur usaha nu modalna teu kedah ageung, misalna janten reseller atawa muka frenchise tina produk nu emang tos laris di masyarakat jiga Mixue, Teh Poci, Menantea, jeung sajabana. Mun muka usaha ge bakal leuwih hade dina bidang kuliner sabab kabutuhan kuliner masyarakat zaman ayeuna mah gede pisan. Komo jajanan mah bakal seueur pisan nu minatna. Mantak, kudu siapkeun mental jang ngarintis usaha sadini mungkin jeung rencanakeun masing asak.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7176", "text": "Sasando nyaeta pakakas musik tradisional anu asalna ti Pulo Rote, Nusa Tenggara Wetan. Alat musik ieu didamel tina awi sareng dilengkepan ku kulit sato anu disusun dina bunderan. Nalika dicoo sasando siga gitar. Sora anu dihasilkeun lemes pisan sareng nyenangkeun. Sasando oge katelah alat musik anu gampang dimaenkeun sarta bisa dicobian ku pemula. Disebut sasando lantaran asalna ti kata sasando anu artina pakakas anu ngageter. Cara menkeun pakakas ieu sami sareng harpa jeung kacapi. Sasando gaduh awak utama dina wangun tabung panjang anu dijieunna tina awi. Di tengah alat senar ieu ngalingker ti luhur ka handap. Tali-tali dina sasando diregepkeun dina tabung ti luhur ka handap anu geus dibere panyangga.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8004", "text": "Unggal balik sakola kagiatan Risa sapopoe teh ngabantuan indungna gagawe di warung. Warungna ieu tos kakoncara ngeunahna. Kusabab warungna caket sareng kantor desa, unggal beurang pasti we para PNS nu gawe di desa darahar di warung Risa, sanes eta hungkul jelema nu nuju pelesir ge dahar na tangtos di warung ieu. Nu nyieun warung ieu rame teh nyaeta kadaharan na nu ngeunah, resep na diturunkeun turun temurun. Teu aya catatan naon-naon wae resepna, soalna kabeh resep diapalkeun ku pemiliki warung. Risa ayeuna keur diajar ngemutan resep turun temurun ieu ti indungna. Janten upami indungna tos teu tiasa ngurusan warung Risa tiasa ngurusan tur ngalanjutkeun usaha kulawargina ieu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5081", "text": "Rekomendasi tempat wisata nu cocok jang liburan kulawarga nyaeta Sanghyang Kenit. Lokasina di Cipatat, Kabupaten Bandung Barat. Akses jalanna aspal, jeung deuih kajangkau ku mobil dugi ka lokasi. Di Sanghyang Kenit, aya warung ngajajar nu dagang timbel jeung pernak-pernik oleh-oleh khas Sanghyang kenit. Terus mun turun saeutik ti warung bakal manggih tempat diuk nu nyanghareup langsung kana pamandangan wahangan Citarum nu sisina batuan stalaktit jeung stalakmit. Tuluy turun deui ka handap, aya tangga nu jadi akses ka wahangan jeung ka goa. Mun ka kenca, berarti asup ka goa Kenit, mun ka katuhu berarti ka sisi wahangan paranti guyang. Mun labas berarti ka tempat popotoan dina batuan nu pamandanganna endah pisan. Tah cocokna mah bari murak timbel teh di biwir goa, hawana tiis, pamandanganna alus.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8282", "text": "Usaha tanpa persiapan anu leres henteu tiasa tahan lami sabab teu aya rencana sareng tujuan anu kedah dihontal salami prosesna. Aya babaraha perkawis nu tiasa disiapkeun saacan ngabuka usaha ti imah. Milarian ideu bisnis, ieu tiasa asalna tina masalah di sekitar lingkungan anjeun atanapi target pasar anu kedah mendakan solusi. Jieun rencana usaha, ieu teh mangrupikeun dokumen penting anu ngandung tujuan, visi sareng misi, target pasar, pesaing, ramalan kauntungan, proses produksi, sareng sajabana. Nyiapkeun modal usaha, aya seueur pilihan pikeun kengingkeun modal ngamimitian pikeun usaha, mimitian tina tabungan anjeun sorangan, dukungan kauangan kulawarga anjeun, sareng pinjaman. Pastikeun modal bisnis cukup pikeun ngaéksekusi ide bisnis bumi anu anjeun hoyong jalankeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2702", "text": "Di tukangeun Pecinta Olahraga Ekstrim, olahraga ekstrim nyaéta olahraga anu résiko luhur pikeun anu ngalakukeunana. Henteu ngan ukur tatu, tapi jiwa tiasa dipertaruhkeun nalika ngalakukeun olahraga ekstrim. Bari urang mikir yén Ngahindarkeun kaayaan bahaya nyaeta pamikiran rasional, aya sababaraha urang anu sabenerna wani Modal kana bahaya.\nSanaos henteu asup akal, nyatana aya sababaraha alesan psikologis anu nyababkeun jalma resep olahraga ekstrim.\n1. Kabutuhan Tinggi Prestasi\nPecinta olahraga ekstrim biasana boga ambisi luhur dina ngahontal impian maranéhanana. Aranjeunna didorong ku kabutuhan anu luhur pikeun ngahontal sareng nunjukkeun prestasi éta. Anu unik nyaéta pencinta olahraga ekstrim ieu henteu ngagaduhan tujuan pikeun pamer kaahlianna ka balaréa, tapi milarian kapuasan pikeun dirina.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2764", "text": "Salah sahiji produk laptop nu ayeuna ker kasohor nyaeta Lenovo Yoga mangrupikeun salah sahiji produk unggulan ti Lenovo, anu nyayogikeun faktor bentuk 2-layar dina laptop ieu anu anjeun tiasa puteran sapinuhna sareng janten tablet portabel. Mimitina, Lenovo Yoga henteu populer pisan sabab masih ngandelkeun Prosesor ARM anu dipikanyaho kirang mumpuni pikeun nanganan prosés anu beurat. Lenovo Yoga C640 parantos nganggo Prosesor Core i3 Generasi ka-10 sareng parantos gaduh 8GB RAM anu ngadukung kabutuhan seueur tugas anjeun. Média panyimpen dina laptop ieu parantos ngandelkeun SSD 128GB anu berkecepatan tinggi sareng cocog pikeun anjeun anu kedah nyimpen data gancang. Laptop ieu dibanderol mulai Rp 8 juta.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2683", "text": "Sistem pembinaan generasi muda kurang, kompetisi antar sakola teu jelas, ngahalangan kualitas pembinaan generasi sepakbola urang. Liga Pendidikan Indonesia (LPI) anu sakuduna jadi ajang pikeun maluruh bibit-bibit calon pamaén nasional Indonésia, teu jalan. Pasanggiri anu diluncurkeun ku PSSI babarengan jeung Persidén anu dimimitian taun 2009, ayeuna geus teu écés deui kumaha pasanggirina di tingkat SMA. Malahan, sakumna sakola di tanah air miharep pisan yén pasanggiri Liga Pendidikan Indonésia bisa lumangsung kalawan tartib jeung transparan sarta dilaksanakeun kalawan hadé di unggal daérah. Kompetisi siga kieu anu mampuh ngahudangkeun sumanget para nonoman nagara ieu dina widang olah raga. nu nyiaptakeun generasi emas nu dibanggakeun Indonesia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4181", "text": "Acara adat bakar batu atawa ngaduruk batu di Papua mangrupa wujud rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci, ogé mangrupa lambang solidaritas anu kuat. Ritual tradisional ngarajam nyaéta masak babarengan anu tujuanana pikeun ngawujud rasa sukur ka anu masihan kahirupan. Prosés masak ngagunakeun batubara. Sacara umum, bahan anu dimasak nyaéta daging babi, tapi ayeuna di sababaraha tempat ogé ngagunakeun daging hayam pikeun anu henteu bisa ngadahar daging babi. Tradisi ngaduruk batu ogé mangrupa sarana ngumpul jeung kulawarga jeung baraya. Acara ngaduruk batu ogé mindeng dilaksanakeun pikeun ngumpulkeun jalma dina prosés ngabersihan lahan, kalahiran, maot, moro, nikah, ngawangun imah, jeung saterusna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "440", "text": "Poe jumaah geus kabiasaan jang lalaki kanggo jumatan. Dina jumatan sok aya anu khutbah ngeunaan kaislaman. Urang sok diuk di hareupeun mimbarna ngarah kadanguna jelas eusi khutbahna, sabab di mesjid tempat urang sholat jumat euweuh speaker. Jadi lamun kabagian ditukang biheung kadenge. Jadi urang sok siap-siap berangkat ka tempat jumatan teh jam 11 an. Biasana masih sepi anu jajaran hareup. Materi khotbah nu terakhir didenge pas jumatan teh nyaeta ngeunaan pentingna sholat di masigit ulah sholat di imah, ieu berlaku jang lalaki. Urang ngadenge lamun tiap lengkah suku dina perjalanan rek sholat ka mesjid, dihapus oge hiji dosa ku Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2807", "text": "Pikeun kalungguhan leutik, atawa gampang, meureun anjeun bisa, malah geus dimimitian di sababaraha nagara, contona Jepang atawa Jerman. Pabrik kendaraan bermotor (mobil) sapertos Mercedes, BMW, Honda, atanapi Toyota parantos nganggo robot pikeun perakitan suku cadangna.\r\n\r\nTaun 2015, Jepang ngenalkeun hotél dimana sadaya palayan téh robot, nyaéta Hotel Henn-na. Tapi sigana masih gagal, sabab masih seueur gangguan anu dilaporkeun ku tamu hotél. Mémang, ieu sanés proyék anu suksés, tapi parantos ngamimitian, anu saleresna tiasa sampurna dina mangsa nu bakal datang.\r\n\r\nSanajan kitu, robot tetep robot, euweuh urusan kumaha canggih desain jeung program kiwari, aya kénéh hal anu robot teu bisa ngalakukeun, contona, kayaning nyieun kaputusan dumasar kana émosi. Leres, robot anu gaduh émosi sareng pamikiran rasional ayeuna ngan ukur tiasa ngawujud dina pilem atanapi kaulinan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8820", "text": "Urang tiasa ngadamel alat-alat olah raga sederhana kalayan bahan anu tiasa urang mendakan di bumi. Salah sahijina nyaéta nyiptakeun halangan pikeun lumpat, lumpat zigzag, atanapi lumpat halangan. Carana, siapkeun heula lima nepi ka sapuluh botol plastik kosong beresih, mun masih keneh kotor, leuwih hade dikumbah beresih heula. Kadua, eusian cai kana botol nepi ka pinuh. Lamun geus pinuh urang bisa ngatur eta di lapang pikeun dijadikeun halangan, sarta mimitian jogging salaku pemanasan. Sanggeus éta urang ogé bisa dipaké pikeun lumpat sprints jeung lumpat zigzag. Kalayan ieu, urang tiasa ngahémat biaya mésér alat-alat olahraga, sareng ngajadikeun barang-barang anu dianggo teh janten barang anu mangpaat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3041", "text": "Mimiti wirausaha nalika umur kuring 19 taun, taun 2010 nalika kuring masih kuliah. Dina waktos éta, éta mangrupikeun awal kebangkitan kpop di Indonésia. Istilah hallyu wave teh mimitina di Indonesia kan? Abdi ngan ukur mahasiswa anu gaduh artos saku anu pas, sareng kuring ogé hoyong mésér barang-barang Korea. Janten kabeneran, abdi fanatik kpop, nah kumaha carana . Kahiji Abdi biasa ngadamel fanbase di Twitter, ngeunaan warta Korea sareng éta lumayan ageung, seueur pengikut. Aya fanpage dina Facebook ogé. Kadua Kuring ngamangpaatkeun ieu ku ngamimitian ngajual kaos anu niru anu dianggo ku seniman Korea. Tadina mah ngan ukur reseller, tapi lila-lila beuki loba nu mesen jadi kuring nyieun sorangan. Kuring nyerahkeun produksina ka jalma anu nyitak layar anu langkung saé dina percetakan layar. Waktu harita kuring meunang untung kira-kira 40 rébu pér kaos. Teu antaparah deui jaket/hoodiena tiasa untung 70 rebu. Kapungkur teu seueur toko online janten teu aya kompetisi. Panghasilan bersih tiasa 4-6 juta per bulan. Dina taun éta, éta geus bener badag, sanajan masih 1,5 juta, kuring geus bisa boga panghasilan nu loba. utamana keur budak kuliah, aya kitu loba di antarana.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4657", "text": "Teknologi nu paling anyar nyaeta aya Metaverse ogé bakal jadi trend taun ieu. Padahal Meta, pausahaan asalna ti Facebook jeung fokus kana metaverse nu, gagal jeung leungit milyaran dollar dina pangembangan teknologina. Pausahaan ritel jeung hiburan bakal launching loba di metavers kumaha carana ngawangun Dursasana customer sarta kasatiaan sakuliah sababaraha metaverses, utamana platform kaulinan kawas Roblox. Pribumi Metaverse anu digedékeun kaulinan jeung sosialisasi dina realitas digital alternatif bakal ngadorong perusahaan pikeun ngayakeun konser, minggu fashion, perjalanan palanggan jeung kagiatan edutainment di 2023. Metaverse ogé bakal ningali kadatangan perusahaan-perusahaan leutik anu ngagabung sareng organisasi-organisasi anu leuwih gede anu parantos ngadegkeun pos-pos di dinya.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4937", "text": "Sangu goreng jadi salah sahiji kadaharan nu wajib dicobaan ku sakabeh manusa. Sangu goreng biasana dijual peuting-peuting ku tukang dagang gerobakan di sisi jalan. Beda jeung sangu biasa, sangu goreng warna na cokelat sabab dibere kecap. Tekstur sangu na oge biasana bear, teu pulen jiga sangu biasa. Disaogikeun na osok jeung aca bonteng wortel, jeung kurupuk ikan atawa kurupuk udang. Sangu goreng biasana dihijikeun jeung saosin hejo jeung ati apela atawa daing hayam nu disuwiran. Seungitna khas tina bumbuna, biasana make bawang beureum, bawang bodas, jeung muncang nu dihijikeun tuluy diblender. Sangu goreng oge biasana digigirkeun jeung kwetiaw atawa mie goreng.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5068", "text": "Basa bulan kamari abdi ngiringan liburan ka pantai jeung babaturan organisasi. Arurang camping sapeuting di sisi pantai. Ngan apesna, pas camping teh kalah hujan. Atuh teu tiasa ngahurunkeun abi unggun bari babakaran, nu aya kalah ka riweuh nyalametkeun barang-barang supaya teu kahujanan. Niatna bade sakalian bonding, eh kalah ka cuacana teu mendukung pisan. Tapi teu nanaon, isukna urang ulin bbarengan di pantai. Fofotoan nu wareg, jeung carita seuseurian mudalkeun carita salila ieu nu pikaseurieun. Majuka beurang na langsung we uih deui. Eta mah asli liburan teh paling berkesan pisan, moal poho nepi ka iraha wae ge. Babarengan dina sagala kasusahan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5827", "text": "Salah sahiji hape inceran generasi melenial teh nyaeta hape OPPO seri A jiga A57. Layar Oppo A57 teh ukuranna 6.56 inci. Kamera tukangna 13 MP, jeung kamera depanna 8 MP nu dilengkapi ku sababaraha fitur jiga ultra wide, mode focus, mnight mode, jeing sajabana. Batrena aya nu 4880 jeung 5000 mAh nu dilengkapi fast charging. Tipe kartu sim na teh nyaeta nano sim. USB na ge tos ngagunakeun type C. RAM na aya nu 4/64 GB jeung 8/128 GB. Ngan manglebarkeun layarna masih keneh IPS LCD. Oppo A57 dibanderol dina harga dua jutaan dengan kaunggulan batrena nu dinilai cukup tahan lama.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5377", "text": "Alkitab mangrupakeun kitab suci umat Kristen jeung Katolik. Alkitab eusina mangrupa ayat-ayat suci nu kasaluruhan nana aya 73 kitab kanonik. Kitab kanonik eta terdiri tina 46 perjanjian baru jeung 27 perjanjian lama. Perjanjian lama eusina nyaeta taurat, kitab sejarah, kitab hikmat, jeung kitab kenabian. Edengkeun perjanjian baru nyaeta eusina injil, sejarah apostolik, surat paulus, surat umum, jeung apokalips. Perjanjian lama nyaritakeun kisah para tokoh jeung nabi jah saacan Yesus lahir, sedengkeun perjanjian baru muat eusi kitab-kitab injil nu eusina sajarah riwayat Yesus Kristus ti lahir dugi ka kanaekan na, oge surat-surat nu ditulis ku pengikutna. Kitab-kitab dina Alkitab disusun semi kronologis, sanes berdasar waktu turunna wahyu.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7373", "text": "Rudy Hartono Kurniawan atawa anu leuwih akrab jeung Rudy Hartono nyaeta atlét bulutangkis top anu dibabarkeun di Surabaya, 18 Agustus 1949. Anjeunna lahir kalayan ngaran Nio Hap Liang. Anjeunna anak katilu ti dalapan sadulur. Anjeunna oge aya hubunganana sareng Jeanne Utama Dewi, tilas atlit badminton anu parantos ngabela Indonesia dina Piala Uber. Sapanjang karirna, Rudy geus sababaraha kali ngabela Indonesia. Rudy ngamimitian karirna ku gabung dina Thomas Cup Squad taun 1966-1967 sanggeus ngahadiran Pelatnas taun 1965. Saterusna, manehna asup kana All England Championships nalika umurna 18 taun. Anjeunna meunang ngalawan Tan Aik Huang ti Malaysia anu meunang juara dua taun samemehna. Saprak harita, Rudy ngadominasi kameunangan kajuaraan ti 1968-1976.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6776", "text": "Pangandaran janten tempat anu kedah didatangan ku kulawargi pas liburan. Abdi oge sakali jalan-jalan ka Pangandaran naik beus, angkat subuh-subuh keneh janten teu sempet emam heula. Pas tos nepi ka Tasik, urang turun heula di salah sahiji resto anu aya di rest area, arurang sadayana mesen baso tasik anu rasana teh gurih pisan. Atos wareg, urang sadayana lanjut ka Pangandaran, di tengah jalan adi abdi asup angin. Tapi alhamdulillah lancar nepi ka Pangandaran. Arurang istirahat sakedap di hotel sabari ngagentos acuk teras langsung ka pantai. Di pantai abdi teu ngojay tapi ngan ningalikeun jalmi teras popotoan hungkul teras balik deui ka hotel.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5751", "text": "Olahraga riverboarding teh jadi salah sahiji olahraga nu digemari ku semua kalangan, khususna budak leutik. Alat-alat nu kudu dipake mun rek ngalakukeun riverboarding nyaeta kahiji pelampung. Pelampung gunana jang ngambangkeun awak dina wahangan. Nu kadua nyaeta helm nu fungsina ngalindungi mastaka tina sagala rupa benturan. Nu katilu nyaeta fin atawa kaki katak. Fin atawa kaki katak ieu teh fungsina jang ngalajukeun bodyboard jeung ngarahkeun na oge. Nu kaopat nyaeta bodyboard nu jadi alat utama dina olahraga ieu. Sabab bodyboard teh mangrupakeun alat nu ditaekan ku atlet salama pangarungan nu bentukna lancip kahareup. Tuluy aya oge alat pendukung jang ngahadapi emergency nyaeta peluit jeung sajabana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "436", "text": "Aya carita hiji mualaf nu mangrupakeun ateis jeung profesor matematika. Nepikeun ka pas eta, manehna teu pernah narima jawaban nu muaskeun ngeunaan kaayaan sawarga jeung sajabana. Mindeng manehna ngimpi nyanghareupan Allah, hudang, sujud, tuluy hudang deui jeung ngimpi ngadorong tarangna kana lantai. Teu ngan hungkul manehna di rohangan eta teh, tapi sababaraha jelema baris ngalakukeun hal nu sarua jeung manehna. Singkat carita pas keur jadi dosen, salah sahiji siswana agama Islam. Tuluy siswa eta mere manehna Alquran. Pas keur eta, manehna ngarasa tercerahkan. Ditambah pas manehna ninggali mahasiswa Muslim eta ngadoa, luyu jeung ngimpina sababaraha taun katukang. Akhirna profesor eta ngucapkeun dua kalimat sahadat jeung mutuskeun jang jadi muslim.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "959", "text": "Kamera mobil 360 derajat bakal ngababarikeun pas keur parkir di tempat anu sempit. Jarak antara mobil sejenna bakal kaciri jelas katinggali di layar head unit dina dashboard mobil. Biasana oge kamera ieu dilengkepan ku sensor jadina bakal ngaluarkeun sora pas jarak mobil jeuk objek beuki deukeut. Fungsi sejenna kamera 360 di mobil nyaeta mantuan nu make mobil jang ngadeteksi jelema di sabudureun utamana nu keur leumpang atawa oge budak leutik. Teknologi nu dipasang dina kamera ieu oge ngameh resikona leuwih leutik mun kajadian gesekan pas keur manuver di tempat anu sempit. Emang kamera 360 mobil ieu pastina mibogaan harga nu leuwih mahal, tapi sabanding jeung loba pisan mangpaatna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5718", "text": "Salah sahiji olahraga nu sering pisan dipaenkeun keur leutik nyaeta tektokan. Olahraga tektokan teh mangrupakeun adaptasi tina olahraga badminton. Mun biasana badminton make raket jeung kok, tektokan mah raketna make papan nu digagangan kai, tuluy kokna diganti make kertas dikeupeul-keupeul. Dipaenkeun na teh ku duaan-duaan, biasana silih gantian kumaha nu lasut. Mun papan jeung kaina teu gaduh, biasana diganti ku buku atawa sendal. Biasana dipaenkeun di buruan imah atawa lapang nu rada lega. Tah mun tektokan mah tara make nett, ngan dibere garis batas antara dua pamaen make kapur atawa guratan na taneuh. Ieu jadi olahraga nu diminati pisan ku barudak leutik mah sabab aya tantangan nana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "413", "text": "Hiji waktu pernah ngadangu Ustadz Adi Hidayat ceramah, ditinggali dina pakaianna sopan jeung rapih. Ngagunakeun baju koko warna bodas, jeung dipadukeun kopean anu warna hideung. Pas ngadugikeun ceramah kulawarga nu dirindukeun Rosululloh SAW, Ustadz Adi Hidayat nampilkeun panangan anu katuhu ngajukeun indung ramo atawa jempol sedengkeun nu kenca sabar nyepengan mic jeung spidol oge diukna tegep. Gerakan panangan Ustadz Adi Hidayat ninggalikeun pesan dina ceramah eta aya opat hal nu kudu diinget, dina panangan katuhu jeung punduk anu muka lega. Hal ieu saluyu jeung naon nu diucapkeun nyaeta ngapraktekeun gerakan orang Thaif nu ngabaledog Rosululloh SAW nu mana saolah-olah nyepengan batu jeung rek ngabaledogkeun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3917", "text": "Tomat nyaéta tutuwuhan anu mimiti kapanggih di Amérika Kidul, patali jeung térong, kentang jeung cabé.Omat mangrupa buah sabab strukturna boga daging jeung siki anu aman lamun ditelan. Tapi nepi ka ayeuna masih loba anu nganggap tomat sabagé sayuran, sabab salah sahiji fungsina nyaéta minangka penyedap dina masakan. Tomat mangrupa buah anu warnana beureum pikaresepeun tur beunghar ku vitamin saperti vitamin C. Ku kituna teu salah lamun tomat pohara kapaké pikeun ngajaga sistim imun awak. Setiap 100 gram tomat mengandung 20 kalori, 1 gram protein, 0,3 gram lemak, 4,2 gram karbohidrat, 5 miligram kalsium, 1500 SI karoten (vitamin A), 60 mikrogram tiamin (vitamin B), asam askorbat (vitamin). C) 40 miligram, fosfor 27 miligram, beusi 0,5 miligram, kalium 360 miligram. Omat ngabogaan loba mangpaat pikeun awak. Buah ieu ogé gampang dipendakan sareng hargana bersahabat. Ieu lima hal penting ngeunaan buah anu beunghar antioksidan ieu. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4178", "text": "Salian kriste protestan gereja oge jadi mah ibadah kristen katolik tapi aya sababaraha perbedaan anu beda di gerejanna nyaeta tina bentuk jeung gaya arsitekturna anu loba makna na. Wangunan Garéja Katolik beda jrung gereja kristen protestan sabab wanguna teu ngan dijieun nyarupaan Salib, tapi ogé nyarupaan Kristus dina Salib. Sirahna ditungtung dina Sangtuary sirkular. Ku kituna, loba gereja kuna anu sanctuaries diwangun condong ka hiji sisi, ngalambangkeun sirah Kristus nalika dina salib tilted ka hiji sisi. Eta mangrupa parbedaan anu jelas pisan kaciri na pembeda gereja kristen protestan jeung katolik. Sanajan sarua gereja jeung sarua kristen tapi protestan jeung katolik dua agama anu beda ajaranna. Matakna boga imah ibadah anu beda oge.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5027", "text": "Stone garden bisa diasupkeun oge kana istilah hidden gem nu aya di Bandung raya. Lokasina aya di Citatah, Padalarang. Akses ti jalan raya na nyaeta jalan batu jeung taneuh kapur. Wakktu tempuh ti jalan raya ka lokasi sakira lima belas menitan. Stone garden nyayogikeun pamandangan babatuan purba nu endah. Batuan purba ieu ngahampar luas pisan dina ketinggian gunung. Salian batuan zaman purba, aya oge sasaungan paranti ngiuhan. Ngan didieu acan aya warung, jadi kedah persiapan nyandak bekel ti bumi. Ieu tempat cocok pisan jang popotoan sabab batu na asli ti zaman purba. Pamandangan na nu endah ge jadi bisa ngaleungitkeun kacape.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5332", "text": "Salah sahiji hafidz muda nu dipikaresep pisan ku hampir saluruh warga Indonesia nyaeta Ustadz Taqy Malik. Anjeunna biasa ngalantunkeun ayat suci Al-Qur'an ku suarana nu merdu pisan, mantak ngeunah kanu manah. Anjeunna oge sok aktif dina mesia sosial kangge sharing kaagamaan. Salian eta, anjeunna oge aktif di media sosial kangge promosikeun bisnisna. Bisnisna teh tos dina bidang sagala rupi, parfum, tuangeun, camilan, jeung sajabana. Anjeunna oge sok nitik beuratkeun sharing soal elmu sedekah. Tah, tidieu urang bisa belajar bahwa mun elmu akheratna tos kacepeng, insyaallah elmu dunia na ge pasti bakal babari kacepeng. Yuk ah ti ayeuna urang tingkatkeun kaimanan urang, supados tiasa gaduh elmu nu meujeuh kangge bekel urang di akherat!", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1172", "text": "Lamun investasi nu ku urang lakukeun geuningan hampir ngalaman kagagalan, alusna mah ulah langsung ninggalkeun jeung mutuskeun jang investasi ka bisnis nu sejen. Alusna nyobaan jang mariksa penyebab tina karugian nu dialamina, kasalahan naon nu dilakukeun nepikeun ka nyebabkeun karugian. Lamun hiji bisnis teu jalan lancar ku sabab ayana siklus ekonomi makro, eta teu kudu hariwang sabab kondisi siga kieu emang mindeng kajadian jeung ngan saukur siklus biasa. Saenggeus masa sulit eta berakhir, urang bakal balik deui meunangkeun kauntungan. Hiji-hijina hal nu bisa ditinggali teh nyaeta cash flow di mana ulah nepikeun ka inflow leuwih saeutik tibatan jeung cash flow.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4009", "text": "Novel A+ asalna tina carita Wattpad anu judulna sarua, nyaéta A+ nu di tulis ti 2020. Ceuk penulis n A+ ieu di jieun keur masa pandemi dimana loba batur nu stress bingung kudu kumaha jeung teu bisa kaman mana. A+ dina Wattpad geus dibaca ku kurang leuwih 8 juta dua ratus genep puluh pamiarsa, sajuta lima ratus hiji nu menyukai. A+ diwangun ku genep puluh opat bab anu ditulis dina kurang leuwih hiji nepi ka dua taun. Seniman, A+ Ieu di tulis ku Ananda Putri, murid élmu komunikasi di unuversitas di malang anu resep kana dunia tulis tulisan ti leutik keneh. Ananda Putri lahir di Jakarta, 22 Méi 2002 ieu domisili di Kota Malang, Jawa Timur. Sangking sukses na A+ Akhirna di angkat jadi series nu di produksi ku falcon pictures nu bakal tayang di 2023.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8130", "text": "GoPro cocog pisan dianggo ku jalmi nu resep mideokeun aktivitas sapopoena atanapi tiasa disebat vlogging. GoPro cocog kusabab bodyna nu leutik tiasa sareng gampil dicandak kamana-mana bahkan tiasa diasupkeun ka jero kantong. Sanajan bodyna nu leutik nanging kualitas gambar sareng video nu dihasilkeun teu kudu ditaros deui kualitasna, alus sakelas kamera profesional. Dina GoPro aya teknologi HyperSmooth 4.0 nu kagunaannya nyaeta salaku satabilisator. Janten upami urang mideo sabari gerak-gerak sapertos lumpat atanapi renang hasil videona tetep alus. Leres ieu Gopro tiasa dicandak renang kusabab body sareng kamerana tos tahan air. Urang ge tiasa ngaback up hasil video sareng foto urang upami GPProna keur diistirahatkeun atanapi dicas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "106", "text": "Hiji-hijina curug cai panas anu aya di Bandung, ngaran tempatna Curug Cipanas Nagrak anu aya di Cihideung Bandung. Curugna beda jeung nu lain nu biasana cai tiis, ieu mah cai panas. Cocok jang nu hayang nyantai jeung maen cai. Tiket asupna ngan 25 rebu sajelemana. Curug nagrak ieu mangrupakeun curug ku aliran cai panas nu aya di Kampung Nagrak Lembang. Cai panas nu ngalir ieu lain cai panas jieunan, tapi asalna ti mata cai alami anu sumberna ti panas bumi. Cai na mibogaan kandungan belerang anu mangpaat jang kesehatan ditambah caina herang pisan. Didieu aya 5 kolam cocok jang ngajak kulawarga liburan kadieu. Didieu oge loba warung-warung, aya oge musholla jeung ruang bilas. Parkiranna lega pisan. Saran lamun kadieu pas poe biasa jeung isuk-isuk datangna. Ngameh sepi jeung meunang momen caina warna biru.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9329", "text": "Urang kedah ngahaturkeun belasungkawa ka tatangga anu keur katimpa ku musibah. Tatangga ogé boga hak pikeun didatangan nalika aya musibah, utamana lamun keuy aya anggota kulwargana anu ngantunkeun. Anu panghadéna mah nalika nganjang takziah nyaéta ngahaturkeun bela sungkawa kalayan ngadu’a sareng ngadoakeun kasaéan, khususna pikeun almarhum sareng kulawarga anu ditinggalkeun. Urang ulah ngucapkeun hal-hal anu goréng ngeunaan almarhum, langkung-langkung urang kedah ngucapkeun hal-hal anu saé pikeun mayit jeung kulawarga anu ditinggalkeun, ngahibur aranjeunna, sareng henteu nambihan kasedihna. Salian ti ngadatangan, urang ogé bisa mantuan manéhna, saperti mantuan ngurus mayitna, mantuan ngagali kuburan, jeung méré dahareun ka kulawarga ditinggalkeun, sabab biasana maranéhanana masih dina kaayaan sedih.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4650", "text": "Internet mangrupakeun jaringan interconnected badag tina jaringan komputer anu nyambungkeun jalma jeung komputer di sakuliah dunya, ngaliwatan telepon, satelit sarta sistem komunikasi lianna.Internet geus tangtu geus lain istilah asing pikeun ceuli masarakat modern. Ieu alatan ampir sakabéh aspék kahirupan kiwari boga hubungan kuat jeung internét. Jaringan ieu ogé kabuktian mangpaat pisan pikeun ngahubungkeun jalma réa ti sagala rupa wewengkon tanpa wates, mimitian ti sakuliah kota, propinsi, nagara, malah sakuliah buana. Internet tiasa disebatkeun sapertos perpustakaan ageung anu tiasa nyayogikeun sagala rupa inpormasi pikeun sadayana di sakumna dunya. Rupa-rupa informasi anu bisa diaksés ku saréréa tangtuna rupa-rupa pisan, ti mimiti wangun tulisan, gambar, nepi ka format multimédia séjénna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1971", "text": "Tong hilap milarian hotél anu pangdeukeutna ti lokasi wisata supados tiasa istirahat wengi. Janten, pikeun ngahémat langkung seueur, anjeun kedah terang kamar hotél mana anu dijual kalayan harga murah. Kumaha? Pariksa trik di handap. kahiji Ulah Nyorangan Harga kamar hotél bintang tilu, sahenteuna rata-rata, antara Rp 500.000 nepi ka Rp 1 juta sapeuting. Biaya nginep tangtu mahal pisan upami anjeun nyalira. Janten, pikeun ngahémat langkung seueur, pastikeun anjeun sapeuting sareng réréncangan atanapi baraya. Janten, buku kamar anu tiasa dieusi dua dugi ka tilu urang. Ku cara kieu, anjeun tiasa ngabagi biaya tetep sareng réréncangan. Upami harga tiket tinggal Rp 500.000 per wengi, maka anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta mayar Rp 250.000 sareng sésana bakal ditagihkeun ka réréncangan anjeun. Henteu ngan ukur langkung mirah, komo deui tetep sareng réréncangan ogé tiasa ngabantosan anjeun nalika aya kaayaan anu genting. Contona, upami anjeun dikonci di kamar mandi, sobat anjeun tiasa nelepon staf hotél pikeun mantuan kaluar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "918", "text": "Aya dua sistem operasi smartphone nu paling loba digunakeun ayeuna, nyaeta iOs nu aya di iPhone jeung Android nu dipake smartphone Google sarta nu kaluaran vendor Asia. Sanajan harga smartphone Android leuwih murah, tapi loba pengguna iPhone nu satia jeung embung pindah ka Android. Lain euweuh alesan, tapi emang iPhone leuwih awet, jadi mun dipake jangka panjang teh emang cocok jadi pilihan tibatan Android. Lantaran Apple sok mere update sistem operasi di smartphone heubeul maranehna. Aplikasi oge kaluar leuwih mimiti di iOs, pas developer hayang ngaluarkeun aplikasi anyar, biasana maranehna bakal milih ngaluncurkeun di iOs heula. Salah sahiji alesanna nyaeta pengembangan aplikasina nu leuwih babari tibatan Android.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5506", "text": "Soto Betawi nyaeta salah sahiji tuangeun khas ti Jakarta. Soto Betawi teh eusina nyaeta kikil, mie telor, toge, bawang daun, kol, jeung dibere keureutan tomat jeung jeruk lemo. Rasana gurih, asin, sedep, seger pisan komo mun dijerukan. Nuang soto betawi teh enakna mah ditambahan sambel jeung saos lada tuluy dibaturan ku kurupuk. Komo mun kikilna loba pisan mah, beuh mantap ngeunahna. Biasana soto Betawi teh dituangna peuting. Soto Betawi teh ayeuna mah sanes di Jakarta hungkul ayana, tapi di daerah sejen ge aya. Ngan emang mun ka kotana langsung mah sok leuwih ngeunah nuangna sabab ngangge racikan bumbu nu original keneh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6522", "text": "Abdi mah ku sabab teu ngarti kana hal cocok tanam, jadi mun melak nanaon teh sok tara jadi wae. Mun ngawurkeun binih di buruan teh tara aya nu jadi. Malahan sempet oge dipasihan tangkal sayuran nu geus subur, pas rek dipindahkeun ka taneuh buruan teh kalah ka jadi garing tuluy teu lila paeh we teu tumbuh deui. Mantak sok rada hoream abdi mah mun pepelakan teh sabab tara jadi wae. Tos nyobian make sekam jeung pupuk organik cair ge angger wae pepelakan teh teu numbuh-numbuh, malahan mah paeh di waktu deukeut. Tidinya abdi jadi hoream deui jang melak nanaon da bisi teu jadi deui ke teh pepelakanna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7044", "text": "Dina Islam, salah sahiji cara pikeun nyambut orok di kulawargi biasana dilakukeun ku acara aqiqah. Aqiqah nyaeta proses meuncit domba, anu saterusna diolah janten kadaharan sarta dibagi-bagi ka tatangga atawa baraya. Aqiqah janten salah sahiji bentuk syukur ka Gusti Allah lantaran tos dipasihan murangkalih. Dina basa, aqiqah hartina \"motong\" anu asalna tina basa Arab \"al-qath'u\". Aqiqah nyaeta proses meuncit sasatoan ternak dina poe katujuh sanggeus orok lahir. Aqiqah mangrupakeun amalan anu dianjurkeun pisan kanggo nu mampu. Tapi, pikeun jalma anu henteu tiasa ngalaksanakeunana, hukum aqiqah tiasa ditinggalkeun tanpa dosa. Tujuan dilaksanakeunana ieu aqiqah nyaeta pikeun ngabagi kabagjaan ka jalma-jalma di sabudeureunana, sangkan muncul do’a anu panghade-hadena sangkan murangkalih tumuwuh kalayan hade boh jasmani boh ahlakna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3889", "text": "Donat mangrupikeun salah sahiji jajanan anu dipikaresep ku kuring, rasana anu lembut, ngeunah sareng bisa leuwih kenyang keun, sareng rasa anu murah mangrupikeun jajanan andalan nu bisa di dahar keur gaganti sangu.Aya loba jenis donat, ti nu basajan jeung taburan gula nepi ka rupa-rupa topping saperti meses, keju, coklat, selai buah, coffe nepi ka kacang jeung sajabana.Aya oge donat nunrasa na asin nu make toping daging ayam, abon, sosis jeung sajabana. Tapi kanggo kuring mah tetep langkung resep donat anu ngan nganggo gula tipung, margi rasana langkung hampang sareng anjeun tiasa ngaraosan rasa donat langsung tanpa seueur bahan anu dicampurkeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7436", "text": "Lamun urang ngabahas komputer, pasti anu kabayang nyaeta komputer anu bentukna kotak siga tabung atawa monitor kotak anu tiasa disimpen dina meja. Komputer eta biasana disebutna personal komputer. Beuki alus jaman, beuki seeur inovasi komputer. Ayeuna komputer eta teh tiasa dibabawa kamamana anu disebut laptop. Tapi, sanajan tos aya laptop oge masih keneh seeur jalmi anu make personal komputer lantaran masing-masingna gaduh kaleuwihan sareng kakuranganna. Laptop biasana dipake ku jalmi anu mineng gawe di luar jeung sering pundah-pindah lantaran tiasa ditilep, diasupkeun kana tas, jeung hampang. Laptop oge dilengkepan ku batre, janten tiasa dipake sanajan teu aya listrik jeung colokan. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2260", "text": "Umat ​​Islam percaya ka sadaya Rasul Allah SWT sareng Kitab Suci anu diturunkeun ka aranjeunna. Dina Al Qur'an, carita Nabi Musa AS disebutkeun dina sababaraha bagian. Sakumaha urang terang yen utusan Allah SWT diutus pikeun nepikeun risalah Allah SWT ka umatna di dunya ieu. Musa AS mangrupikeun salah sahiji tina 25 carita nabi anu seueur hikmah sareng janten panutan umat Islam. Nabi Musa AS nyaéta nabi anu ngaranna paling sering disebut dina Al Qur'an. Nabi Musa dibabarkeun dina jaman Fir'aun. Musa AS dipikacinta tur dihormat dina Islam pikeun duanana nabi jeung utusan. Musa Beulah Laut Janten nabi anu diutus ku Gusti anu dipasihan parentah supados urang Israil ibadah ka Allah SWT sareng dipasihan kitab Taurat. Dina Al Qur'an Alloh SWT ngadawuh: “Saéstuna Kami geus nurunkeun Taurat ka Musa, di jerona aya pituduh jeung cahaya, anu ku nabi-nabi anu tunduk kana Ridho Alloh, ngahukuman urang Yahudi. Jeung para rabi jeung imam-imam oge ngahukum urang Yahudi ku Taurat, sabab maranehna geus dipasrahkeun pikeun ngajaga Kitab Allah, jeung maranehna jadi saksina.” (Quran, 5:44).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8653", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun akur sareng tatangga. Rutin ngobrol jeung tatangga. Tukeur informasi ngeunaan kagiatan, parobahan lingkungan, atawa hal-hal anu bisa mangaruhan kana kanyamanan hirup babarengan. Komunikasi anu terbuka sareng jujur ​​tiasa ngabantosan ngalereskeun masalah atanapi salah paham anu timbul. Mangga hormat privasi tatangga. Tong nyidik-nyidik ​​urusan pribadi atawa nyidik-nyidik ​​di pakarangan tatangga. Nalika anjeun bade nganjang ka bumi tatangga, pastikeun naroskeun sateuacanna sareng hormat waktos sareng privasina. Lamun tatangga butuh pitulung, masihan naon bisa. Nulungan tatangga anu butuh bisa nguatkeun hubungan tatangga anu alus. Silih ajenan mangrupa konci pikeun ngajaga hubungan anu hadé jeung tatangga. Hindarkeun ngalakukeun tindakan anu ngarugikeun tatangga atanapi ngaruksak lingkungan sabudeureun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4242", "text": " Alat musik Kolintang dina mimitina ngan diwangun ku sababaraha potongan kai anu disimpen dina jajar suku pamaén anu diuk dina taneuh, duanana suku lempeng ka hareup. Ti jaman ka jaman, pamakéan suku pamaén diganti ku dua batang cau. Sedengkeun peti resonator anyar mimiti dipaké saprak datangna Pangeran Diponegoro di Minahasa taun 1830. Alat musik Kolintang bisa di tingali ku wangunna anu unik, nyaéta runtuyan bilah kai anu disusun dina rak kalayan ukuran sabeulah anu ngurangan. Panjang pondok sabeulah ieu nyaluyukeun kana nada anu anjeun hoyong ngahasilkeun. Pamaén musik Kolintang diwajibkeun pikeun neuleuman kumaha carana nyekel bat bener jeung bener. Ieu patali jeung cara ngahasilkeun nada, kadang pamaén musik Kolintang diwajibkeun ngagunakeun tilu chord dina lagu. Pikeun bisa ngahasilkeun chord, pamaén musik kolintang pasti ngagunakeun tilu baton.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2821", "text": "Atuh mobil listrik sacara teu langsung ngahasilkeun jumlah polusi anu sarua jeung kurang ramah lingkungan, utamana lamun bahan utama pikeun listrik di dunya ieu masih mayoritas ngagunakeun batubara sarta teu nyebut komponén demi komponén dina kandaraan listrik anu écés butuh mineral kayaning kobalt. , nu nunjukkeun yén pertambangan bakal salawasna tetep lumangsung. Ku alatan éta, kandaraan listrik = ramah lingkungan masih condong dugi ka ngan gimmicks pausahaan nu jualan geus pressured ku runtuyan kawijakan pamaréntah jeung nagara.\r\nPamadegan anu teu populer, anu sabenerna leuwih éféktif pikeun nahan dampak masalah lingkungan lain nyaéta transisi mesin kandaraan tapi angkutan umum anu bisa dihontal sarta sifatna masal.\r\nKakurangan\r\nMasih teu efisien dugi ka ayeuna. Tempo kamajuan hareup.\r\nBatréna masih beurat pisan sareng kapasitasna henteu ageung teuing, janten sering dicas\r\nBari ngecas eta meakeun jumlah adil tina kakuatan, oge waktos ngecas teu sinkron. (Upami tiasa ngecas di tempat damel, upami henteu tiasa kedah di bumi sareng biasana wengi. Padahal wengi panggunaan listrik naék).\r\nHese nyieun mobil kulawarga atawa mobil nu mawa beban beurat (misalna treuk) jeung mawa eta pikeun période lila.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5003", "text": "Di lembur kuring mah aya sayuran nu ngaran na kukuk. Singhoreng mah bahasa Indonesia na teh nyaeta labu air. Tah sayuran kukuk ieu teh ngandung zat nutrisi nu alus jang kasehatan awak. Zat antioksidan na sae pisan jang nyegah stroke, tekanan darah tinggi, panyakit jantung, jeung diabetes. Tuluy kandungan cai nu sakitu lobana alus jang nganetralkeun racun nu asup kana awak urang. Salian kitu, kukuk oge ngandung zat nu penting kangge pertumbuhan tulang. Masak na ge teu kudu riweuh, cekap ku di sayur hungkul make bawang beureum jeung bawang bodas. Kumaha baraya kantos ngaemam ieu kukuk? Pami teu acan, hayu ah geura cobian ti ayeuna. Dijamin rasana pasti bakal seger tur ngeunah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4167", "text": "Dina agama kristen aya acara keagamaan anu di lakukukeun sataun sakali nyaeta jumat agung.Jumaah Agung nyaéta peringatan pupusna Yesus Kristus dina kayu salib saatos dihukum. Sanggeus ngalaman rupa-rupa panyiksaan jeung kasangsaraan, Isa ahirna pupus di Bukit Golgota dina kayu salib. Pupusna dipercaya ku urang Kristen salaku bentuk panebusan pikeun dosa umat manusa.Sanajan kitu, miéling poé Jumaah ieu téh lain momen pikeun sungkawa, tapi momen pinuh ku kaasih. Dicaritakeun dina Kitab Suci, sanggeus Yesus pupus jeung dikurebkeun, dina poe katilu Anjeunna gugah ti nu maraot. Harti Jumaah Mu'jizat anu munggaran nyaéta ngajarkeun ka sakumna umat Kristen yén aya pangampura ti Allah. Kalayan panyaliban Yesus Kristus ieu, Gusti nunjukkeun kaasih-Na ka sadaya umat Kristen ku ngahampura dosa-dosana. Malahan, Yésus waktu masih hirup némbongkeun kumaha pentingna kanyaah pikeun kahirupan. Anjeunna salawasna mantuan sarta mikanyaah jalma di sabudeureun anjeunna. Sanajan Anjeunna sangsara, Yesus menta Allah Rama pikeun ngahampura jalma kaliru", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4122", "text": "Surga teh tempat pangalusna, pangendahna pikeun umat Muslim. Moal aya manusa anu teu daek asup ka tempat anu di jerona aya sagala karunia Allah. lalaki atanapi awéwé. Surga di gambarkeun endah pisan sagala aya, hayang naon ges aya, tempatna endah, loba bidadari-bidadari didinya. Di surga nge cenah urang bakal saumuran kabeh di umur nu ngora terus di 17 tahunan. Tapi ny a teu babari rek asup ka surga, urang kudu taat ka parentah Allah SWT kudu terus ngadekeukeun diri ka Allah kudu tahan nafsu jeung loba gogoda komo awewe loba pisan godaan na. Dina ahir jaman dimana Rosululloh ngajelaskeun yén loba awéwé anu ruksak akhlakna. Jadina hal ieu ngajadikeun awewe ragrag ka lebak nu pinuh ku siksaan, tapi sabalikna lamun awewe pinter ngurus diri jeung loba amal kahadean maka surga pasti sono.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8635", "text": "Aya seueur alesan naha jalma resep hirup babarengan sareng pasanganna. Salah sahiji alesan utama nyaeta kusabab sareng pasangan tiasa masihan rasa kanyamanan sareng kaamanan. Dina hubungan anu séhat sareng bahagia, pasangan silih rojong sareng janten réréncangan, pendamping, sareng pasangan hirup. Nalika hirup sareng pasangan, urang tiasa gaduh batur anu sok aya pikeun ngadangukeun sareng ngobrol sareng urang. Pasangan tiasa janten tempat pikeun ngabagi carita, pangalaman, sareng parasaan anu jujur ​​​​sareng terbuka. Sajaba ti eta, hirup kalawan pasangan oge bisa nyadiakeun rasa panyalindungan jeung ngarasa leuwih kuat dina nyanghareupan tantangan hirup. Kahirupan jeung pasangan anjeun oge bisa nyadiakeun loba kenangan geulis tur moments nu sohor babarengan. Contona, hajatan ulang taun, liburan babarengan, atawa kagiatan basajan kawas nonton pilem di imah. Ieu bisa jadi pangalaman berharga jeung nyadiakeun kabagjaan dina hubungan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5455", "text": "Basa aya mata kuliah Pengantar Filologi, abdi saangkatan ngayakeun kunjungan ka museum nu aya di Sumedang, Museum Prabu Geusan Ulun. Niatna kangge ngagali soal naskah nu aya di museum ieu teras dijadikeun bahan kajian di mata kuliahna. Pas lebet ka Museum Prabu Geusan Ulun, aya hiji bangunan nu khusus nyimpen senjata tradisional kerajaan Sumedang Larang jeung mahkota pangeran nu kantos mimpin ieu karajaan. Sejnata nu aya didieu rupi-rupi, aya keris, pedang, kujang, jeung sajabana. Senjatana dirawat apik pisan jeung sering dimandian unggal hari tertentu. Ngamandian atawa ngaberesihan na teh kudu make upacara, jadi khusus jang katurunan oge pengikutna hungkul na masih aya nepi ka ayeuna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7638", "text": "Saprak dikaluarkeun ti tempat gawe lantaran kontrakna tos ereun, rerencangan abdi mutuskeun kanggo nyieun usaha sorangan. Ti sataun ka tukang manehna oge emang tos nyarios yen manehna gaduh rencana bade kaluar ti tempat gawe ayeuna kanggo mimitian bisnis di imahna lantaran mamahna teu aya nu ngajagian. Poe kamari manehna ngabaran kuring yen manehna tos muka usaha tempat ngumbah motor. Manehna oge ngondang kuring dina bubuka tempat ngumbah motor eta. Pas abdi datang ka ditu motor abdi langsung diberesihan. teu heran tempat ieu rame lantaran motorna beresih jeung pangaosna oge teu pati awis dibandingkeun tempat anu sanes. Tempatna oge caket sareng sakola jeung kantor.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1904", "text": "Sabaraha gaji Manajer réstoran di Indonesia? Dicutat tina kaca Indeed, rata-rata gaji dasar pikeun posisi Manajer réstoran di Indonésia nyaéta Rp 7.535.144 per bulan. Angka ieu diitung dumasar kana 24 data gaji dina catetan per 25 Juli 2022. Samentara éta, upama ditilik ka kota, Mémang ngalaporkeun yén gaji pangluhurna pikeun posisi Manajer réstoran aya di Kota Sukabumi, nyaéta Rp 12.743.440 sabulan. Saterusna disusul Tangerang (Rp. 5.813.008 sabulan) jeung Bandung (Rp. 5.182.251 sabulan). Teras, upami anjeun ngaluncurkeun laporan tina halaman Glassdoor, rata-rata gaji Manajer réstoran di Indonésia nyaéta Rp 13.628.228 per taun, ditambah insentif tambahan Rp 19.500.000 per taun. Insentif ieu tiasa dina bentuk bonus, komisi, sareng bagi hasil. Ku cara éta, Glassdoor ngira-ngira yén total gaji Manajer réstoran di Indonésia Rp 33.128.228 per taun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2706", "text": "Situasi sapanjang pertandingan leres-leres tartib. Ngan aya aksi psywar anu dialungkeun ku fans ka pamaén lawan. Tapi, kaayaan barobah sanggeus pingit panjang ditiup nandakeun ahir pertandingan anu dimeunangkeun ku Persebaya kalawan skor 2-3. Saurang suporter turun ka lapang pikeun méré motivasi jeung kritik ka pamaén Arema. Lajeng aksi ieu dituturkeun ku sajumlah suporter séjén sarta beuki rame. Aparat, anu mimiti sesah ngontrol massa di lapangan, teras nyandak jurus anu langkung tangguh pikeun fans anu nekad. Digebugan ku tongkat panjang jeung tameng, aya suporter nu digebugan, némbak gas cimata. \"Tapi nalika pasukan kaamanan ngadorong deui pendukung ti beulah kidul, pendukung beulah kalér narajang pasukan kaamanan. Petugas nembakkeun gas cimata sababaraha kali,\" pokna. \"Lacak gas cimata geus ditembakkeun ka para suporter, di unggal juru lapang dikurilingan ku gas cipanon. Sawareh geus langsung ditembak di tribun, nyaéta Tribun 10,\" tambah Rezki. Kaayaan ieu ngajadikeun fans panik sarta beuki kacau di tribun. Maranéhna lumpat néangan jalan kaluar. Tapi hanjakal jalan kaluarna pinuh ku panongton anu hayang nyalametkeun diri.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9", "text": "Salah sahiji restoran Sunda di Bandung, ngaranna Warung Nasi bu Imas. Surgana pecinta kadaharan Sunda, aya paru, ati ampela, gepuk, lauk, ayam, jeung masih loba deui pilihanna. Menu andalan masakan warung Ibu Imas ieu hayam goreng. Enak pisan rasana komo jeung sambel dadak nu ladana pas. Pokona sambelna cocok jang nu resep lada, tapi aya oge sambel nu teu lada. Sambel leuncana oge karasa seger, rasa tarasina oge ngeunah. Menu nu lainna aya jukut goreng, limpa goreng, usus hayam goreng, otak sapi goreng, hayam kampung bakar atawa goreng, tahu jeung tempe goreng. Hargana rupa-rupa tapi jang menu komplit hargana Rp 50.000 sa porsina. Harga sakitu geus ngarasa puas jeung wareg.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "122", "text": "Nepi Nimo Highland parkiran mobil rame pisan komo deui motor mah. Parkiranna masih tina taneuh beureum. Kabayang lamun hujan bolokot na siga kumaha. Dina bukitna geus dipasang tulisan Nimo Highland siga tulisan Hollywood anu aya di Los Angeles Amerika Serikat. Meuli karcisna di rohangan anu gede pisan, digigirna aya nu jarualan kitu di stand-stand dahareun, tapi titincakanna masih ku taneuh acan make keramik kawas di tempat meuli karcis. Tuluy aya toilet portable, kabehna aya opat, jang lalaki dua, jang awewe dua, beda-beda warna na. Jang asup ka tempat utamana, ti tempat meuli karcis urang kudu naek odong-odong, siga angkot tapi euweuh tutup pantoan. Warna na oge rupa-rupa aya beureum, hejo, koneng, biru, jeung sajabana.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4759", "text": "Aya loba kauntungan bisnis atawa jualan online salah sahiji kaunggulan bisnis online nyaeta kua ayeunarame na Internet jeung pasti batur oge make jeung boga internet ngahontal ka sadaya penjuru dunya jeung sakabeh zona waktu.Internet ngajieun ,manusa teu deui boga batasan ruang jeung waktu komo dina komunikasi ka asup ohe di jero na jual beli. Ieu hartina lamun usaha dilakukeun online, kamampuan anu sarua kabentuk. Dina toko fisik, konsumen diwatesan ku jam buka sareng tutup toko.Di sisi anu salain, bisnis online anjeun bisa diakses ti mana wae dina internet bisa dibuka 24 jam sapoe sapeuting sapanjang taun. Sajaba ti eta, kalayan ngaronjatna pamasaran mobile, bisnis online anjeun bakal meunang kaunggulan sejen, nya eta bisa diakses ku saha wae nu boga alat mobile saperti hape.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9456", "text": "Rachel geus lila hayang nganjang ka tempat wisata anu teu pati rame. Anjeunna parantos milarian inpormasi ngeunaan tempat wisata ieu sababaraha minggu katukang saacan angkat. Akhirna, manehna mendakan tempat anu cocok sareng kahoyongna. Rachel angkat ka kota anu aya di pulo leutik di Kidul. Anjeunna bagja pisan sabab tiasa nganjang ka tempat-tempat anu teu acan kantos didatangan. Sanggeus nepi ka bandara, manehna langsung indit ka hotel anu samemehna geus dipesen pikeun nyimpen barang-barangna. Sanggeus beres, manéhna tuluy leumpang ka tempat wisata anu disebut hidden gem anu geus dipilari ku manehna salila-lila. Rahel kacida bungahna lantaran bisa manggihan tempat anu éndah jeung sepi. Manehna ngarasa kawas aya di sorga sabab bisa ngarasakeun pamandangan nu endah jeung tenang. Rachel jalan-jalan sapanjang pantai anu endah tur beresih. Anjeunna oge ngojay di laut anu caina herang. Rachel ngarasa bagja pisan sabab bisa ngarasakeun wisata nu manehna impenkeun salila ieu. Sanggeus sapoe jeput nganjang ka tempat wisata ieu, Rachel balik deui ka hotelna bari pinuh ku kabagjaan. Manehna ngarasa sukur pisan bisa nganjang ka tempat anu asri jeung bersih. Rachel bener-bener ngarep-ngarep bisa balik deui ka ieu tempat wisata dina mangsa nu bakal datang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2662", "text": "Urang teu bisa persis nyonto kaagungan maranéhanana, tapi urang bisa manggihan kahéngkéran jeung poténsi sorangan lajeng, urang ngan kudu ngasah potensi eta sangkan urang bisa jadi hébat kawas aranjeunna. Kumaha urang ngasah poténsi urang?\r\n1. Manggihan poténsi Anjeun\r\nSateuacan ngasah kaahlian, tangtosna urang kedah terang naon widang kamampuan urang. Ieu penting pisan sabab kumaha urang bisa ngudag widang nu urang teu resep. Neangan potensi sorangan mah gampang, tapi menurut kuring mah gampang, urang ngan kudu nyaho widang naon anu urang resep atawa cinta jeung eta potensi urang.\r\nBaca ogé: Kakuatan anu dipiboga ku manusa\r\n2. Ngudag poténsi anjeun\r\nSaparantos terang poténsi urang, anu kedah urang pigawé nyaéta ngulik poténsi urang dina éta widang, urang tiasa ngudag poténsi kalayan mekarkeun kamampuan urang, boh tina diri urang atanapi ku bantosan batur. Upamana, mun urang resep kana sepak bola, cara ngudagna nyaéta ku terus latihan jeung ilubiung dina SSB sangkan aya nu ngabimbing urang jadi pa", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4161", "text": "Upacara Melasti nyaéta upacara nyucikeun diri boh barang-barang suci milik candi. Dina kapercayaan agama Hindu, sumber cai saperti situ, laut jeung mata air mangrupa sumber kahirupan atawa tirta amerta. Dina acara ieu, jalma-jalma ngariung ka laut atawa sumber cai dibaju bodas jeung mawa parabot solat sarta biasana mawa pratimah, barang-barang suci atawa arca pikeun diberesihan ku cara sekala jeung niskala. Tujuan tina upacara ieu nyaéta pikeun ningkatkeun katakwaan ka Déwa sareng manifestasi Gusti sareng ningkatkeun kasadaran Hindu pikeun mulangkeun kalestarian lingkungan. Upami anjeun hoyong nyaksian upacara adat ieu, sumping 3 atanapi 4 dinten sateuacan perayaan Nyepi dilaksanakeun sareng cicing di hotél anu caket sareng candi Hindu ageung sapertos di Kuta atanapi Uluwatu.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1174", "text": "Pas perusahaan ngalaman karugian tangtuna bakal nyieun urang kaleungitan fokus jeung teu sumanget deui. Tapina hal eta justru bakal nyieun urang beuki terpuruk nu akhirna perusahaan urang teu bisa kabantu. Ku kituna urang kudu geura-geura ngaronjatkeun ngomean kondisi piduiteun perusahaan. Tetep tenang dina diajar pasualan nu aya bisa mantuan urang meunangkeun solusi anu bener. Salian eta, urang kudu optimis wae, lantaran ku optimis bisa mantuan urang jang ngadorong dina ngomean piduiteun perusahaan. Ulah nepikeun kateterusan dipikiran, sabab mun kitu engkena urang beuki terpuruk, nu balukarna mah jadi gering. Tangtuna ieu jadi nambahan masalah, keur mah rugi, awak teu sehat oge.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "38", "text": "Lamun keur nyieun dahareun, rata-rata bakal dibeakeun pas poe eta langsung. Tapi masak dahareun unggal poe pasti cape jeung leuwih boros. Ku sabab kitu, solusina nyaeta nyieun dahareun nu bisa tahan lila. Salian ti hemat dina sisi pengeluaran, oge dahareun nu tahan lila leuwih praktis. Ngan kudu neundeun hungkul di kulkas jeung tinggal dihanetkeun wae pas keur ngadaharna. Salah sahijina nyaeta endog balado. Endog balado teh salah sahiji dahareun nu tahan lila. Sangkan bisa leuwih awet, pisahkeun endog jeung bagian sambel baladona. Jadi pas keur nyieunna, kumbah endog, godog nepi asak, tuluy tinggal disimmpen endogna kana kulkas. Lamun sambel baladona kudu disimpen kana wadah nu rapet tapi bisa oge diasupkeun ka jero freezer. Pas rek dahar tinggal dipanaskeun jeung campur sambel jeung endogna. Endog balado bisa tahan nepi saminggu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "35", "text": "Hayam goreng dahareun anu ngeunah, lamun keur teu nafsu dahar hayam goreng bisa jadi salah sahiji opsi. Rek anu di goreng, bakar, kuah, resep kabeh. Beuki berkembangna jaman, hayam goreng ayeuna mah aya anu di geprek oge. Hayam geprek nyaeta hayam nu geus di goreng tuluy di geprek jeung di campur sambel, loba oge varian sambelna aya sambel tarasi, sambel hejo, sambel dadakan, sambel matah, jeung sajabana. Biasana di sababaraha gerai disadiakeun oge level sambelna, ti level hiji nepi lima. Kusabab urang pecinta lada, jadi lamun meuli hayam geprek teh sok level nu paling luhur, lantaran ngarasa ka tantang. Beres daharna biasana sok langsung nyeuri beuteung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3602", "text": "Ampir kabéh geus ngalaman stress. Nanging, kaayaan ieu teu kedah diidinan nyered. Sangkan setrés teu terus ngabalukarkeun masalah kaséhatan, aya rupa-rupa cara gampang pikeun nungkulan stress nu bisa Anjeun pigawé. Stress mangrupikeun kaayaan anu umum pisan. Dina kaayaan normal, setrés tiasa gaduh dampak anu positif, contona ngabantosan anjeun damel langkung gancang nalika anjeun kedah ngarengsekeun tugas sateuacan deadline. Samentawis panyebab setrés teu acan direngsekeun, laksanakeun hal-hal ieu pikeun ngatasi setrés sareng ngajantenkeun pikiran langkung santai:\r\n\r\n1. keluhan Express\r\nSuppressing parasaan bisa stress anjeun kaluar. Éta langkung saé pikeun ngaleungitkeun beban ku ngémutan sagala hal anu aya dina pikiran anjeun ka jalma anu pangdeukeutna atanapi psikolog. Percanten ka abdi, sanggeus sagala keluhan geus dihapus, anjeun pasti bakal ngarasa leuwih hadé.\r\n\r\n2. Latihan rutin\r\nSalian sangkan awak leuwih séhat, olah raga ogé bisa ngaleungitkeun setrés. Ku latihan, otot awak anjeun bakal leuwih rileks sarta pikiran anjeun bakal kaganggu sahingga bisa ningkatkeun mood Anjeun.\r\n\r\nAnjeun teu kedah ngalakukeun latihan beurat pikeun ngaleungitkeun setrés. Ngan ngalakukeun latihan basajan, kayaning leumpang leisurely atawa sapédah.\r\n\r\n3. Ngalakukeun semedi\r\nMeditasi atanapi yoga salami 10-15 menit sareng dilakukeun 4-5 kali saminggu tiasa nenangkeun pikiran anjeun. Ngalakukeun meditasi tiasa nurunkeun tingkat hormon setrés, nyaéta kortisol, ku kituna anjeun tiasa langkung tenang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4529", "text": "Jaman ayeuna dina loba na masalah hirup jeung hiruk pikuk karamean anu sibuk ngajieun urang jadi gampang stress, salah sahiji obar keur stress bisa loba bisa olahraga bisa oge liburan. Nah dina olahraga ekstrem ieu urang bisa meunangkeun duanana. Contohna wae lamun urag miluan olahraga ekstrem arung jeram. Loba nu teu apal bahwa arung jeram ka asup olahraga, batur nyangka yen arung jeram teh wahana. Tapi nyata na arung jeram teh olahraga anu da ngagunakeun tanaga keur ngadayung parahu dina arus anu gede. Olahraga arung jeram efektif ngaleupas stress kusabab bisa bia ngaluarkeun emosi jeung stress na bari gogorowokan na arung jeram na. Saenggeus arung jeram gorowok ngaluarkes emosi biasana urang bisa ngarasa leuwih tenang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2640", "text": "Kuring ngan ukur ngalakukeun latihan di bumi sapertos push-up, pull-up, sareng nganggo hiji dumbbell anu kuring damel sorangan tina semén. Kuring latihan rutin kalayan durasi -+30 menit unggal poe.\r\n Éta hasil tés kuring tina latihan kuring! Abdi hoyong nyarios sakedik sateuacanna yén kuring ngamimitian olahraga, janten waktos éta pandémik Covid anu marak, unggal dinten ngan ukur dipinuhan ku ceramah online sareng maén game, éta mangrupikeun beban, sanés? Wah, teruskeun. Kusabab kuring kaganggu ku kagiatan anu sami, kuring tungtungna ngamimitian browsing sareng ningali tip olahraga di bumi… ieu ogé teu tiasa dipisahkeun tina motivasi anu kuat, sabab kuring baheula kurus, janten kuring henteu yakin pisan ngeunaan beurat kuring dina waktos éta, kitu ti kuring. 'm nyobian pikeun ngaronjatkeun penampilan. Oh hehehehe, beurat kuring sateuacan kuring mimiti latihan ngan ukur 46kg (2020) sareng ayeuna 56kg (2022) saleresna kuring naék 10kg dina ngan 7 sasih saprak kuring ngamimitian latihan sareng saatos éta ngan lirén naék deui, tapi kuring nganuhunkeun pisan sabab nambahkeun 10kg cukup nyieun kuring penampilan kuring hadé katempo.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9403", "text": "Kuring karek ngunjungan Rumah Makan Ayam Geprek. Harepan anu dibawa ti imah langsung runtuh kusabab sababaraha hal. Kuring ngarasa sambelna kurang samara. Rasa gurih nu kuduna aya dina sambel geprek eleh ku bau cabe nu kacida nyengatna. Hayamna oge karasa garing keur kuring nu beuki daging nu rada baseuh. Tapi untungna, kakacewaan kuring katutupan ku palayananna nu ramah tur sopan. Minumanna oge kaasup ngeunah jeung seger. Cocok pisan keur ngubaran rasa lada sambelna nu kacida. Tempatna oge beresih. Tempat kokocok oge deukeut jeung meja makanna. Jadi teu kudu deui hariwang poho kokocok. Kuring nyarankeun ka Rumah Makan Ayam Geprek ieu sababaraha hal nu bisa dibenerkeun nyaeta rasa sambelna jeung cara ngagoreng hayamna ambeh masih karasa hipu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "804", "text": "Olahraga mangrupakeun bagian tina pola hidup sehat jeung alusna dilakukeun ku kabeh jelema, kaasup budak leutik. Ngameh budak teh mibogaan kabiasaan hirup sehat. Olahraga kudu diwanohkeun ka budak pas keur leutik keneh. Mun usia 1 nepikeun ka 4 taun, bisa ngajak leumpang, lumpat, jeung luncat. Tapi ulah waka langsung olahraga beurat, kudu dimimitian ku olahraga nu intensitasna hampang heula meh teu ngabebankeun budak. Lamun teu dibiasakeun olahraga keur leutik keneh, hariwangna teh jadi males gerak jeung leuwih milih nonton TV atawa maen game sapoe jeput. Tangtuna gaya hirup kawas kitu teh bakal mibogaan dampak nu awon jang kasehatan engkena. Jadi waktu nu alus jang ngawanohkeun olahraga ka budak nyaeta ti keur leutik keneh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7100", "text": "Upacara Tabuik nyaeta hajatan lokal masarakat Minangkabau pikeun mieling pupusna Hussein bin Ali, incu Nabi Muhammad SAW, dina Perang Karbala tanggal 10 Muharam. Salian ti minangka mepeling pupusna putu Kangjeng Nabi Muhammad saw, ieu upacara oge minangka upacara syukuran datangna bulan Muharam. Upacara ieu dilaksanakeun ku masarakat Minangkabau di daerah basisir Kota Pariaman. Ieu upacara teh mangrupa bagian tina cara masarakat ngarayakeun tradisi Tabuik. Pamarentah geus mikawanoh yen upacara adat ieu mangrupa bagian anu berharga di masarakat. Tradisi ieu geus lila lumangsung, cenah hajatan ieu lumangsung ti abad ka-19 Masehi. Perayaan anu tadina ngan ukur tradisi, kiwari geus robah jadi salah sahiji daya tarik para wisatawan anu rek datang ka Sumatra Barat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7090", "text": "Kaberesihan janten sabagian tina iman. Hartina unggal jalmi anu ngarasa manehna iman ka Alloh jeung rukun iman anu aya genep, manehna oge kedah ngajagi kaberesihan. Ciri-ciri jalmi anu iman nyaeta resep kanu beresih. Boh beresih manehna, boh lingkungan sabudereunna. Lantaran dina jalmi anu beresih aya jiwa anu kuat jeung sehat, kahindar ti sagala rupi panyawat. Islam katelah agama anu ngutamakeun pisan kaberesihan. Umat Islam beberesih sahenteuna lima kali sapoe, nyaeta wudhu kanggo lima waktos sholat. Lamun bade ngalaksanakeun sholat, awak urang, pakean urang, pikiran urang, jeung tempat urang sholat kedah suci tina hadats leutik jeung hadats gede. hadats nyaeta sagala rupi najis sapetos kotoran.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2729", "text": "Nalika kuring kuliah di Jogja taun 2016, inténsitas kuring lalajo maén bal ngurangan. Tapi di Jogja kuring mimiti lalajo timnas, tepatna laga uji coba ngalawan Viétnam dina persiapan AFF 2016. Laga éta dilaksanakeun di Stadion Maguwoharjo, dina hujan ngagebrét kuring kagum ku stadion. sarta ngarasakeun jero stadion. Sajeroning kuliah, kuring kungsi nganjang ka sababaraha stadion di Yogyakarta, diantarana Stadion Maguwoharjo, Stadion Sultan Agung, Stadion Mandala Krida genep, jeung Stadion Mochammad Soebroto di Magelang. Malah jadi suporter tim tamu mah asa di Jogja mah. Aya sensasi anu béda nalika ningali langsung. Abdi resep pisan suasana di stadion anu rame sareng bungah, khususna nalika tim kareueus nyitak gawang sareng ngéléhkeun lawan. Sanajan tim ngalaman draw jeung éléh, éta teu ilahar kudu sedih. Salian ti nonton pertandingan, urang ogé disuguhkeun atraksi ti stan anu nampilkeun koreografi sareng bandéra raksasa. Nalika kuring aya di tribun pendukung, kuring ogé nyanyi pikeun ngadukung kareueus tim (nyanyi mangrupikeun hal anu jarang kuring lakukeun, tapi di stadion kuring nyanyi sacara ekspresif). Nepi ka ayeuna, kuring masih boga kahayang pikeun lalajo maén bal di stadion.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "439", "text": "Hiji poe, aya raja nu mutuskeun jang ngulilingan kota. Tiap manehna ngaliwatan tempat anu beda, kabeh jelema bakal buru-buru manggihanna. Tapi pas raja ngaliwatan hiji tempat, manehna ninggali lalaku nu geus kolot, lalaki eta teu merhatikeun kasumpingan raja jeung tetep sibuk jeung pagaweanna. Raja tuluy ngadatangan lalaki eta jeung nanya naha manehna teu milu gabung jeung batur jang mangihanna. Lalaki eta ngajawab, saacan anjeung aya raja sejen nu pernah ngaliwatan tempat ieu kabeh ngumpul jeung ninggali oge. Tapi sababaraha poe saenggeusna manehna maot jeung dimakamkeun di hiji tempat. Tuluy aya banjir nu gede di daerah eta nu nyebabkeun kuburan eta pacampur jeung tulang-tulang nu sejen. Pesan moralna pas urang maot, urang kabeh bakal katinggali sarua di mata Allah SWT euweuh jabatan, harta, oge sagala hal nu sejenna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6704", "text": "Salah sahiji sasatoan laut anu pangaosna mirah nyaeta kerang hejo. Kerang hejo hirup dina cai anu teu pati jero. Kerang hejo biasana ngadahar plankton. Kerang hejo biasana dipasak make bungbu saos padang. Masak kerang hejo kedah ati-ati kedah dikumbah sing beresih ngarah bakterina leungit. Ngadahar kerang hejo tiasa ningkatkeun ingetan. Kerang hejo tiasa dipeser di pasar atawa biasana aya nu ngajual kerang anu tos asak, dijual dua rebuan sabungkus. Aya nu ngajual kerang anu tos teu aya cangkangna tapi pasti pangaosna langkung awis. Lamun urang bade emam kerang saena mah tong seeur teing, kusabab aya kandungan selenium anu bakal nyebabkeun nyeri kana patuangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1933", "text": "Udang mangrupa salah sahiji sumber gizi anu alus pisan pikeun awak sahingga sing saha waé anu ngadahar udang bakal meunang rupa-rupa mangpaat.Udang bakar madu ieu mangrupikeun katuangan anu dipikaresep ku seueur jalma kusabab raosna nikmat sareng lezat, salain éta kandungan gizi anu aya dina udang ieu ogé seueur pisan sareng tiasa ngajantenkeun awak sehat. Rupa-rupa mangpaat udang bakar madu ieu rendah kalori, nyaéta, hiji udang ukuran sedeng ngandung kurang leuwih 7 kalori. Lamun didahar dina jumlah badag bakal nyadiakeun ngan 85 kalori. Udang ngabogaan kandungan cai anu loba di sagigireun udang ogé ngabogaan kandungan protein anu gede kalawan kandungan karbohidrat anu saeutik.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7137", "text": "Yamko Rambe Yamko dipikawanoh minangka salah sahiji lagu daerah di Indonésia hususna ti Papua. Mangpuluh-puluh taun, lagu ieu geus jadi jati diri urang Papua. Yamko Rambe Yamko sinonim pisan jeung Papua sarta dianggap lagu anu asalna ti eta wewengkon. Tapi, akhir-akhir ieu timbul polemik sabab lagu ieu diklaim lain urang Papua, malah lirik atawa basana teu dipikanyaho ku urang Papua. Nyatut tina jurnal Perbandingan Unsur Musik jeung Pendahuluan Lagu Yamko Rambe Yamko, Susunan Agustinus Bambang Jusan sareng Budi Susanto Yohanes, ieu lagu teh disangka hasil modifikasi tina lagu Afrika. Yamko Rambe Yamko mimiti dipintonkeun ku penyanyi asal Papua nu ngaranna Corry Rumbino. Manehna ngalagukeun waktu miéling poe kamerdekaan RI di Istana Negara awal taun 1960-an.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8656", "text": "Abdi hoyong ngajak urang sadayana pikeun ngahampura sareng rukun. Sabage tatangga urang kudu bisa silih ajenan jeung narima kana beda pamadegan, sangkan lingkungan urang bisa leuwih harmonis. Meureun urang geus miboga beda atawa konflik antara urang, tapi kuring yakin yen urang sadayana tiasa ngahampura silih tur mimitian deui kalawan leungeun kabuka. Hayu urang ngawangun deui kapercayaan sareng kebersamaan diantara tatangga urang. Kuring ngarti yen kadang urang bisa menyakiti ku lampah atawa kecap nu kirang pikaresepeun ti tatangga urang. Najan kitu, salaku sawawa, abdi yakin yen urang bisa silih hampura tur diajar ngartos unggal lianna. Salaku tatangga anu hade, urang kedah diajar ngahampura sareng ngabantosan batur. Upami urang tiasa ngahampura, maka urang tiasa ngamimitian deui hubungan urang sareng ngawangun lingkungan anu langkung positip.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6532", "text": "Mun nuju di lembur mah abdi teh sok seneng pisan, sabab sagala dahareun teh aya wae jeung deuih kualitasna nu alus. Loba keneh dahareun di desa mah anu ngahaja meunang ngolah sorangan jeung bahan na ge meunang melak sorangan make sistem organik. Jadi, dahareun teh bersumber tina bahan nu sehat jeung bergizi. Malahan mah mun hoyong lalab ge sok ngadadak ngala tina buruan atawa ti kebon, jadi sok saleger keneh mun rek dituang teh. Tuluy deungeun sangu nu dipasak na oge teu reka-reka, cenderung make bahan saayana jeung diolah make proses nu leuwih aman. Mantak sok sono pisan ka tuangeun nana mun nuju di tanah rantauan teh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7086", "text": "Aya tujuh golongan anu bakal meunang lindungan ti Alloh di poe kiamat, poe di mana kabeh manusa hariwang lantaran manehna teu yakin bakal asup surga atawa naraka. Tujuh golongan eta nyaeta anu kahiji jalmi anu tiasa adil nalika manehna dipasihan amanah janten pamingpin. Matak lamun urang keur dipasihan tugas janten pangingpin teh ulah sangeunahna, komo lamun janten presiden anu mingpin hiji negara. Golongan kadua nyeta budak ngora anu fokus ibadah ka Alloh. Budak ngora teh gaduh awak anu jagjag jeung sumanget anu badag, lamun dipake ibadah ka Alloh bakal janten jalmi anu sholeh. Lantaran seeur pisan budak ngora anu malah ngalakukeun sakahayang manehna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8863", "text": "Baheula kuring pernah ngalaman kajadian anu bikin kesel. Nalika kuring nulis skripsi baheula, kuring sering ngagarapna bari ngagolér dina ranjang kuring. Poé éta kuring poho nunda deui laptop kuring dina meja belajar, jadi laptopna teh masih dina kasur sarta kuring ninggalkeun eta leptop tuluy indit kuliah. Sanggeus balik ti kampus, kumaha teu reuwas kuring manggihan yén adi kuring keur saré dina ranjang kuring jeung baseuh ranjang ku ompol, komo parah, cikiih na beunang kana laptop kuring. Kuring ambek pisan harita mah, tapi da adina mah alit keneh, janten teu tiasa nyentak. Sababaraha poé laptop kuring teu bisa dihurungkeun, kuring panik lantaran sieun data skripsi kuring ogé leungit. Ahirna ku kuring dibawa ka bengkel laptop, untungna sanggeus saminggu perbaikan laptop kuring bisa hurung deui sarta data skripsi kuring aman.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6133", "text": "Salah sahiji lapak jualan abdi nyaeta dina marketplace nu aya di Facebook. Nu meserna lumayan seueur sabab ibu-ibu ge sok maraen Facebook. Cara jualanna ge simpel pisan. Mimiti, jieun postingan di marketplace jiga postingan status biasa. Tangtukeun oge harga jualna, cantumkeun dina postingan nana. Tuluy tambihkeun deskripsi dagangan nana. Geus kitu mah tinggal tangtukeun lokasi jualanna. Tuluy tinggal klik tombol posting. Engke ge sok aya nu mesen lewat reply postingan atawa langsung ngainbox. Aya oge kolom chat jang nawar harga atawa COD-an. Lumayan gampil jeung teu riweuh dagang dina marketplace Facebook mah. Fiturna nu gampang ge jadi pilihan sagala kalangan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8002", "text": "Kentang goreng janten kadaharan anu tangtos pasti aya di sagala restoran cepat saji. Saleresna gampil nyieun kentang goreng teh, tapi cara nu leres nyieun kentang goreng teh siga kieu. Mimiti sipakeun heula bahan-bahanna sapertos kentang, uyah, cai, sareng minyak goreng. Kentang nu dianggo kudu dibersihan heula dina cair nu ngalir, saaatos bersih kentang dikeretan saluyu sareng kahayang arurang, biasana mah dikeretan panjang-panjang siga balok. Saatos eta kulub kentang dina cai nu ngagolak kira-kira 10 menitan. Saatos kitu antepkeun heula kentang di jero freezer. Sateuacan digoreng kentang tadi teh kudu digaringkeu heula make tisu, teras digoreng nika warnana kakonengan. Ahir, purulukan uyah ka kentang nu tos diangkat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6620", "text": "Tipung aci mangrupakeun tipung anu tiasa didamel rupi-rupi kadaharan anu gampil diolahna. Salah sahiji kadaharan anu bahanna ti tipung aci anu kasohor nyaeta cilok atawa aci dicolok, cara ngadamel cilok hampir sami sareng ngadamel cimol, bedana cilok mah ditambihan tipung tarigu jeung cilok mah dikulub atawa diseupan. Cara ngadamelna nyaeta kahiji campurkeun tipung aci jeung tipung tarigu anu takaranna hiji banding hiji, janten upami urang ngangge saparapat tipung aci, tipung tariguna oge kedah saparapat. Upami atos tong hilap dipasihan bumbu uyah, lada, jeung penyedap, bisa oge ditambihan bawang daun. Teras dicampurkeun ku cai ngagolak, digalokeun nepika kacampur adonan nana. Terakhir tinggal dibuleud-buleud jeung diseupan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7027", "text": "Sidharta Confucius nyaeta saurang filsuf Cina Kuna anu lahir taun 551 SM. Anjeunna ngembangkeun ide-ide moralitas, kamurnian, sareng bebeneran anu janten dasar pikeun budaya Cina. Anjeunna oge ngembangkeun hiji sistem etika anu fokus kana cinta, pangakuan, jeung bakti. Karyana anu paling kasohor nyaeta The Analects, anu ngajarkeun moralitas, bakti sareng kasaimbangan. Anjeunna ngajarkeun yen unggal jalma kedah hormat ka batur, ngakuan hak-hakna, sareng hormat kanu hukum sareng kasucian. Anjeunna oge ngajarkeun yen sadayana kedah hormat sareng ngahargaan batur, lantaran dina prosesna, aranjeunna bakal ngahontal kasaimbangan sareng kaharmonisan. Anjeunna janten tokoh penting dina budaya Cina sarta geus masihan seeur pisan pangaruh sababaraha budaya sakuliah dunya.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5049", "text": "Hotel Grand Dafam nyaeta hotel bintang 4 nu kabilang enakeun. Enakeun na tina segi fasilitas, jiga wifi na nu jaringanna kuat, kaberesihan kamar nu teu diragukeun deui, AC nu lancar, kamar mandi nu bareresih tur sareungit. Aya oge fasilitas jacuzzi nu bisa diakses 24 jam. Tempat fitness nu alat-alatna kabilang lengkap jadi daya tarik oge dina ieu hotel. Tuluy oge aya kolam renang nu saking beresihna kudu make baju renang. Ngan, disisi kaleuwihan nana, aya oge kakuranganna nyaeta tina segi pelayanan. Contona wae basa di resepsionis, kadang pagawe na teh sok mere tingkat karamahan nu beda. Kanu bajuna rapih mah dipupujuhkeun dugi kana lift, ai nu penampilan na biasa wae mah mun nanya ge sok rada hese ngajawabna. Tah ieu teh kuduna jadi pr, sabab fasilitasna nu sakitu alus kudu kaganggu ku pelayananna nu kurang saimbang. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8812", "text": "Dini resep pisan maen luncat skipping. Anjeunna boga hiji skipping paporit. Dina hiji poe skipping Dini ruksak ku lantaran diinjeum ku babaturanna, talina putus jeung teu bisa dipake deui. Dini sedih pisan sabab geus sababaraha poé teu bisa ulin luncat skipping. Kusabab kitu manéhna nyisihkeun duit saku pikeun nabung keur meuli skipping engké. Bari nungguan duit tabunganna, bapana Dini nyobaan napelkeun tali anu pegat ku lem, sangkan Dini masih bisa maen sanajan talina gampang pegat. Sanggeus ngadagoan sababaraha minggu, ahirna tabungan Dini cukup keur meuli skipping anyar. Dini bungah kacida, unggal poé bisa maen luncat deui. Ti harita Dini jangji bakal ngurus bener eta skipping.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "884", "text": "Olahraga saacan aktivitas teh penting pisan. Ieu geus dilakukeun 3 bulan terakhir karasa pisan bedana. Anu tadina sok tunduh jeung leuleus, mun olahraga heula mah cenghar weh awak teh jeung sumanget. Teu kudu olahraga nu beurat-beurat, cukup olahraga leumpang salila 30 menit di waktu isuk-isuk bakal karasa mangpaatna, utamana sapoe eta awak teh sanajan dipake beubeuratan tapi karasa hampang. Atawa mun teu sempet mah, urang bisa ngalakukeun olahraga ieu pas indit ka trmpat gawe ku cara teu make kendaraan, tapi leumpang. Atawa mun rada jauh bisa make sapedah. Jadi saimbang sehat ongkoh, dampak kana gaer ge positif. Tangtuna leuwih alus mun dilakukeun sacara konsisten. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "854", "text": "Tina 9 gol nu dihasilkeun di pertandingan ka-2 ieu, 8 na teh dicetak tina open play nyaeta permaenan terbuka. Ngan hiji tina situasi bola paeh nyaeta pas pinalti. Artina kakompakan ti para pamaen timnas U-16 jauh leuwih alus di pertandingan ka-2 ieu tibatan pertandingan mimiti ngalawan Filipina anu mana para pamaen saukur bisa nyetak 2 gol sanajan meunangkeun belasan peluang nu bahaya. Jadi salian ti kakompakan anu mulai alus, ketenangan ti para pamaen katinggali leuwih alus deui di pertandingan ka-2 ieu lantaran loba pisan peluang nu maranehna sabenerna meunang tina kotak pinalti jeung bisa maranehna konversikeun, artina konversi ti para pamaen timnas U-16 ieu di pertandingan ka-2 jauh leuwih alus.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "925", "text": "Laptop sanajan jarang dipake tetep kudu diberesihkeun, ieu kaalaman ku urang nu laptopna geus tara dipake sabab urang geus boga laptop anyar. Pas muka laptop teh loba kebul jeung tombol-tombolna aya sababaraha nu hese dipencet sabab kebul eta geus asup kana sela-sela tombol laptop, sahenteuna kudu diberesihan keyboard laptop teh dua minggu sakali, tuluy kipasna oge kudu diberesihan paling minimal sakali sabulan, cara ieu ku urang geus diterapkeun jeung hasilna masih lancar nepikeun ka ayeuna sanajan sakali-kali dipakena. Sanajan kudu mindeng perawatan, tapi biayana leuwih murah tibatan mun laptop ruksak kudu dibenerkeun, biayana leuwih ti biaya ngarawat tadi. Sabab kudu loba komponen nu kudu diganti tungtungna mah malah leuwih mahal.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7079", "text": "Taurat dikenal salaku kitab suci urang Yahudi. Dina agama Islam, Taurat mangrupa salah sahiji kitab Allah anu wajib diiman jeung aya dina rukun iman, nyaeta Iman ka Kitab-kitab Alloh. Agus Salim Chaniago ngaliwatan tulisan “Iman ka Kitab Allah” dina tulisan Sumber Belajar Kemendikbud ngajelaskeun, kitab-kitab Alloh diturunkeun dina waktos anu beda. Sadaya kitab anu diturunkeun ku Gusti Alloh, sambungna, ngandung ajaran dasar anu sarua, nyaeta ajaran tauhid, anu bedana ngan dina hal syariat anu diluyukeun jeung jaman jeung kaayaan masarakat harita. Dicutat tina Pengantar Ilmu Tauhid (2019) karya A. Muzammil Alfan Nasrullah, kitab Taurat diturunkeun ka Nabi Musa di Gunung Sinai atawa Tursina (Mesir) dina abad ka-12 SM.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4004", "text": "Minggu kamari pikeun ngeusian poé libur kuring ngalakukeun hobi kuring, nyaéta masak. Poé éta hujan teu eureun-eureun, jadi ngeunah dahar haneut. Kuring mutuskeun masak kwetiaw goreng. Masak kwetiaw goreng téh gampang, teu leuwih ti 15 menit. Mimiti na urang ngan ukur perlu meuli jeung nyiapkeun bahan- bahan saperti kwetiaw salaku bahan utama, aya ogé sayuran, nyaéta sawi jeung tauge, lajeng nambahkeun bahan pelengkap kayaning endog, bakso jeung sosis. Kusabab kabeh bahan bahan kwetiaw geus aya di imah kuring jadi kuring teu kudu meuli, jadi langsung weh mulai masak. Urang mulai masak di bantuan ku adi kuring, kuring nyiapkeun bungbuna sedangkeun adi kuring mantuan ngereutan bakso, sosis, sayur jeung cabe. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5882", "text": "Ayeuna mah seueur teknologi nu bisa ngaringankeun pagawean sapopoe. Salah sahiji teknologi modern dina aspek rumah tangga nyaeta chopper. Chopper mangrupakeun mesin pencacah atawa penghancur makanan. Biasana sok diangge ngacacah daging bahan makanan. Tah, mun baheula mah mun bade ngagiling daging teh kedah ka penggilingan di pasar, ayeuna mah tiasa di imah nyalira make mesin chopper. Jadi, makanan teh bisa dijamin kaberesihan nana jeung kasaksian sagala rupa prosesna, moal kakontaminasi bahan lain. Jadi, yuk biasakeun nyieun makanan nyalira sabab geus loba mesin nu ngamudahkeun dina masak! Sabab ayeuna mah teu apal proses pembuatan makanan jiga kumaha, bisi aya bahan lain nu kacampurkeun. Jadi, yuk biasakeun nyieun makanan nyalira!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6511", "text": "Salah sahiji hal nu paling penting diamankeun mun aya potensi terjadi bencana alam teh nyaeta dokumen. Biasana mun aya bencana alam teh sok kalut jeung kaweur, jadi teu inget sama sekali kana dokumen. Padahal, dokumen teh penting pisan kaayaan nana jang nunjang sagala rupa hal dina urusan kanagaraan salaku warga nagara. Mantak, samemeh terjadina benca alam teh, dokumen kedah dihijikeun dina hiji tas supaya gampang dibawana mun keur kaayaan darurat teh. Pasalna, mun dokumen cetak atawa dokumen aslina leungit, bakal hese deui uras-urus kahareupna da katerbatasan bukti. Mantak, dokumen teh kudu pisan diamankeun ti jauh-jauh kaanggalan ayana potensi bencana alam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3618", "text": "Biaya hirup rendah. Dimana sagelas 50.000 kopi, penikmat kopi sachet tiasa nunjukkeun engké. Patugas parkir gratis, buskers gratis, sababaraha pengemis. Dahar di angkringan 5 rebu pinuh, warnet 30 rebu bener cukup, steak 12 rebu.\r\nLoba cabe. Biasana ieu pasangan jamet, mun anjeun masih boga naluri buaya gampang meunang aranjeunna. Sabaraha lami anjeun hoyong milarian? Cabe U-19 enak, gampang dielehkeun.\r\nSilaturahim leuwih nyata. Paduli kabeungharan, tawa murni aya ngan kusabab carita ngeunaan kanyataanana. Loba babaturan kuring anu cool (tapi bodo), lucu.\r\nBarudak leuwih bébas maén. Lamun boga budak jeung cicing di kampung, bisa ulin jeung sasama, naék sapédah, ulin marmer, sumput-sumput, jeung kaulinan tradisional séjénna, nu utama mah teu kakontaminasi teuing ku gadget.\r\npolusi minimal. Hawa isuk rada seger, aya embun-embunan dina dangdaunan ngajadikeun lumpat isuk kacida nikmatna. Polusi sora ogé minimal, kampung sepi, jam 8 peuting panto imah ditutup. Sahenteuna sakali-kali ngadenge knalpot brong jamet tadi.\r\nLeuwih gampang pikeun senang. Maksudna mah harepan kabagjaan warga kampung teh teu luhur, hal-hal sepele mah cukup. Contona, kuring dibere hadiah mahal saméméh kuring senang, batur didieu ngan masihan kuring sangu goreng jeung nyieun kuring seuri riang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6517", "text": "Cara paling ampuh dina ngaleungitkeun rasa stres teh nyaeta jalan-jalan jeung kulawarga. Biasana jalan-jalan jeung kulawarga teh bisa nyieun bahagia sabab loba kajadian lucu jeung loba pisan nu bisa diajak ngobrol. Salian eta, ngobrol atawa diskusi jeung kulawarga teh bisa jadi salah sahiji hal nu jadi penyebab leungitna rasa stres dina pikiran. Jadi pikiran teh bakal bebas, bakal kababrahkeun. Sagala sudut berpikir teh bakal jalan, beda jeung mun nyorangan wae atawa kurang diskusi jeung batur. Mantakna sok loba nu ngahajakeun jalan-jalan mun geus ngarasa pikiranna jenuh atawa kalut teh sabab da emang bisa nenangkeun, komo mun jalan-jalanna ka tempat nu asri mah, misalna wisata alam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2025", "text": "Hobi kuring ti leuleutik maca nepi ka sok poho kana waktu, kamana-mana sok mawa buku. Buku naon anu kuring baca? jigana kitu patarosan salajengna, paling hobi abdi maca buku anu inspiratif, psikologi, motivasi, marketing, manajemen, anu tangtos sanes novel roman picisan hehe, tapi langkung seueur buku anu tiasa diamalkeun dina kahirupan, buku ngeunaan resep kuliner kuring langkung bakti. ka ayeuna sabab aya hubunganana sareng dunya kuring ayeuna. Naon biaya anu ditanggung? dina sabulan tiasa tilu ratus rebu upami teu aya buku anyar anu dipikaresep ku kuring, tapi sakapeung langkung. Dupi anjeun kantos ka bablasan nalika hobi dituturkeun? Enya, sakali kuring hayang balik ka imah ngumbara, sanggeus ngan sabaraha taun tétéla buku-buku kuring geus numpuk jeung éra pikeun dibagi, tungtungna kuring dikirim ka imah kalawan waragad cukup badag pikeun bisa. meuli buku salila tilu taun tina waragad nu biasana mah unggal bulan meuli buku. waaah kadang rada kaduhung tapi hobi hehe.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2000", "text": "Liburan, iklas di imah, atawa kuliner jeung babaturan. Kunaon nuju liburan ka gunung, nu aya didinya mah langkung cape\", ceuk kuring samemeh indit ka gunung. Nepi ka ahirna aya nu matak ngabingungkeun kuring. Loba babaturan kuring ngomong, \" \"Teangan liburan mah nu riweuh, garah teu bingung deui pas teu libur\". Loba hal nu ku kuring dilakonan. Maca buku, ilubiung kelas online, liburan ka luar kota, olah raga, jeung sajabana. Nepi ka salah saurang babaturan kuring ngajak kuring. ka gunung.. lain gunung nu sabenerna sabab teu luhurna.. da bisa dijugjug ku tektok lima lengkah ti imah hehehe, bohong ketang perjalananna sajam mah aya ti imah ka ditu teh, han pas datang, yakin sih sigana bakal balik deui ka gunung soalna endah pisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6100", "text": "Dari pada jadi pegawe mah mending keneh jadi pengusaha. Usaha saleutik naon wae ge urang sorangan nu jadi bosna, mun pagawe mah saluhur kumaha wae ge jabatanna, angger nu gaduh usaha na mah batur, urang teu bisa kukumaha kecuali ngiring kana aturan jeung cara mainna. Mun usaha sorangan mah bosna teh urang sorangan, nanaon na ge diatur ku sorangan. Nu ngajalankeun na ge kumaha sorangan, moal tergantung ka batur. Geura rintis usaha sakecil naon wae ge, panghasilan teu tetap ge leukeunan sabab geus kapanggih selah na mah panghasilanna dijamin bakal leuwih gede ti upah minimum. Yuk mulai usaha ti ayeuna supaya bisa nabung jeung masa depan!", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4532", "text": "Payung terjun (dina basa Inggris: skydiving) nyaéta kagiatan olah raga di udara nu dilaksanakeun ku cara lepas tina pesawat leutik, sanggeus nangtukeun jangkungna atlit kudu luncat tina jangkungna éta. Parasut anu disimpen dina tonggong bakal kembung nalika ragrag, ku cara narik uas kana parasut. Jumlah parasut anu diperlukeun aya dua, sedengkeun hiji keur cadangan. Olahraga terjun payung ngabutuhkeun kesiapan mental sateuacan luncat tina pesawat ka daratan. Ku alatan éta tahap persiapan kahiji saméméh luncat, palatih baris ménta jumpers manteng. Tujuanana pikeun flex otot jumpers. Salaku tambahan, manjang ngaminimalkeun rarasaan tegangan nalika luncat dina katinggian anu luhur. Olahraga terjun payung teu bia sambarangan oba alat alat aku perlu di siapkeun saperti helm, jumpsuit, harnes jeung kacamata.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4715", "text": "Kiwari, geus loba pamikiran jelema pikeun ngalakukeun wirausaha, salah sahiji pemicuna nya eta luhurna kompetisi pikeun meunangkeun pagawean. Harti atawa harti wirausaha nyaeta palaku anu ngalaksanakeun kagiatan wirausaha atawa usaha sacara mandiri. Pamarentah oge teu cicing tapi pamarentah anu ngadorong carana nyaeta ngamimitian muka jalan pikeun ngamimitian pangusaha kalayan gampang. kusabab bisa di sebut wirausaha teh mangrupakeun salah sahiji panggerak ekonomi nagara anu gede. Lamun di nagara anu loba wirausaha na pasti loba mangfaat pikeun ngamajukeun nagara. Ku kituna, pamarentah loba mantuan para pangusaha pikeun ngamimitian wirausaha sangkan tingkat pangangguran turun sarta ekonomi nagara beuki hade jeung kasajahteraan masarakatna oge leuwih hade.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "549", "text": "Matak bedog teu bisa digantikeun salaku senjata pakakas nu dipake tuluy ku masarakat Sunda, ieu aya pakuat-kaitna jeung kagunaanna awalna nyaeta mibogaan fungsi praktis, salaku pakakas dina kahirupan masarakat sapopoe nyaeta motong awi, meresihkeun tunggul tatangkalan, meuncit sato, meulah kai jang durukeun, sarta pagawean sejenna. Fungsi simbolisna aya pakuat-kaitna salaku benda keramat, lambang nu bisa ngangkat harkat martabat nu bogana. Fungsi estetikna aya pakuat-kaitna jeung kagunaan salaku benda koleksi, dina konteks ieu bedog dijieun merhatikeun pisan detail sarta kaendahan boh eta tina bilahna atawa rangka sarta gagangna. Fungsi ekonomina oge nyaeta aya pakuat-kaitna jeung kagunaan salaku komoditi objek jual beuli.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5735", "text": "Kamari dina waktos istirahat kuliah, abdi jeung babaturan rencana nobar tanding voli dina laptop. Masing-masing boga kojo sorangan, nyaeta idola nu selalu aya jang disemangatan. Tah ayeuna mah abdi meuni keur resep pisan ningali performa Yolla Yuliana di lapangan. Keur mah ngefans pisan, eh ayeuna maen pisan, jadi asa kacumponan rasa semangat na teh. Sapanjang pertandingan, anjeunna seueur nyetak poin dina timna. Malahan mah sagala teh ngandelkeun anjeunna sabab posturna nu pang gantarna. Pertandingan ditutup ku kemenangan tim anjeunna. Abdi meuni atoh pisan, teu sia-sia meakeun waktu istirahat jang nonton anjeunna teh. Asa aya kabanggaan nyalira ningali pertandinganna meunang teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7196", "text": "Tokoh adat Jingitiu nyaeta tokoh-tokoh pribadi anu dipikahormat, diconto, jeung dipercaya lantaran miboga kaunggulan anu tangtu, sapertos gaduh pamahaman anu asak jeung konsisten kana ajen-inajen tradisional, sarta boga pangaruh anu kuat dina ngawangun karakter masarakat pikeun ngalakukeun adat-istiadat anu aya. Dina proses Pilkada, peran pamingpin adat Jingitiu boga peran anu kacida pentingna dina ngawangun partisipasi pulitik masarakat sangkan dina Pilkada Sabu Raijua di Kacamatan Hawu Mehara, partisipasi masarakat ngahontal 19.917 anu ngagunakeun hak pilihna. Hal ieu teu leupas tina ilubiungna para pamingpin adat dina ngondang, ngabina, ngarahkeun jeung ngajurung masarakat sangkan masarakat teh bisa ngagunakeun hak pilih maranehna kalawan bener.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6127", "text": "Salila pandemi Covid-19 teh sagala kagiatan di luar ruangan dihentikeun samentara sabab ayana lockdown. Tah, hal ieu ngajadikeun lobana peluang usahana dina media online jiga marketplace. Abdi nyobian nangkap peluang jualan online supaya bisa nambahan panghasilan saberes diputuskeun kontrak kerja. Abdi icalanna lewat status whatsapp jeung marketplace jiga Shopee jeung Lazada. Abdi icalan cemilan instan nu garingan supaya teu tereh kadaluarsa. Lumayan we unggal dinten na teh aya wae pemasukan. Komo sempet icalan masker mah meuni tereh pisan seepna da nuju butuh pisan harita mah. Abdi oge seuseueurna mah dipeseran ku nu wawuh we itung-itung ngajaga silaturahmi jeung kekeluargaan nu tos kajalin.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8268", "text": "Salaku seniman anu oge pangusaha, anjeun tiasa nyiptakeun kahirupan anu luar biasa pikeun diri anjeun. Janten kreatif salaku pangusaha tiasa ningkatkeun nilai urang. sababaraha cara pikeun jadi kreatif anjeun kudu manggihan basa customer ngawula. Cara panggampangna pikeun milarian basis konsumen anjeun nyaeta ningali masalah anu anjeun atanapi sajumlah ageung jalma anu disanghareupan sareng milarian solusi. Aya seueur usaha anu dipuseurkeun kana seni anu anjeun tiasa aub pikeun ngabiayaan usaha kreatif anjeun bari ngabantosan batur. Mimitian ku naon anu anjeun gaduh. Ngajaga padamelan nu ayeuna penting di payun supados anjeun gaduh sumber daya pikeun ngabiayaan usaha kreatif anjeun. Ngawangun komunitas di sabudeureun anjeun sareng ngajalankeun bisnis anjeun mangrupikeun konci pikeun sukses. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2399", "text": "Tina ratusan skala musik bangsa di dunya, pasti aya sasaruaan, boh ku kahaja boh ku pangaruh bangsa séjén, urang teu ngarti kumaha ieu bisa lumangsung. Saeutik pisan jalma anu hoyong nalungtik ieu. Urang salaku jalma biasa ngan ukur tiasa ngadangu sareng ngahargaan. Aya kamungkinan yén jaman baheula, bursa budaya sareng agama lumangsung antara bangsa-bangsa ieu, ku kituna aya anu rada mirip. Nurutkeun Mariko Sasaki, dina Laras, dina karawitan Sunda, seni karawitan Sunda/Jawa Barat aya 3 jenis tangga nada (onkai): Salendro, Sorog, jeung Pelog.\nMusik Jepang ngagaduhan Ritsu (dimaénkeun dina musik Gagak sareng Shomyo), Minyo (skala musik rakyat), Miyakobushi (musik anu mekar ti jaman Edo), sareng Ryukyu (musik ti Ryukyu, ayeuna Okinawa). Salendro disebut sinonim jeung Ritsu jeung Minyo, Sorog jeung Miyakobushi, sarta Pelog jeung Ryukyu/Okinawa. Nurutkeun Sasaki, Skala Sorog nyaéta laras anu lahir tina Skala Salendro, sedengkeun Skala Pelog diwangun sacara misah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2269", "text": "Hiji poé dua lalaki keur ngawadul ngeunaan jalma anu geus zinah. Kanjeng Nabi Muhammad saw tétéla ngadéngé obrolan maranéhna, tapi anjeunna terus leumpang anteng. Sawatara waktu ti harita, eta dua jelema manggihan bangkai kalde anu sukuna anggang-anggang. Rosululloh SAW lajeng ngadawuh ka maranehna \"Pindah jeung dahar daging kalde maot ieu\". \"Kumaha daging kalde maot bisa didahar?\" aranjeunna ngajawab. Lajeng Rosululloh SAW ngadawuh deui, \"Anjeun ngahina ka dulur anjeun, anu leuwih goreng ti batan ngadahar daging kalde anu paeh.\" Kajadian ieu dicokot tina hadits anu diriwayatkeun ku Abu Dawud. Tina kajadian ieu urang bisa nyaho yen fitnah teh boga pangaruh anu leuwih goreng ti batan ngadahar daging sato anu paeh busuk.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1189", "text": "Cara jualan di media sosial mimitina urang kudu milih platform mana anu tepat jang jualan urang. Aya loba platform media sosial nu bisa digunakeun, tapi pilih nu bener-bener luyu jeung kabutuhan jualan urang. Mun geus nyaho dek make platform naon, tuluy urang tinggal nyieun konten nu menarik. Ku konten nu menarik, konten eta bakal leuwih dipikaresep jeung loba nu ngabagikeun. Ulah poho oge jang ngagunakeun tagar, tagar ieu mibogaan peran penting lantaran ngagunakeun tagar anu bener, konten anu dijieun oge bisa tepat ka nu rek meuli. Mun geus kitu, kari ku urang respon pelanggan ku cara gancang. Boh eta dina komentar atawa dina pesan pribadi, dua-duana kudu di respon gancang, hal ieu ngameh pelanggan teu kudu nungguan balesan ti urang.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7149", "text": "Dina hiji mangsa hirup adi lanceuk anu sifatna benten pisan, nu hiji namina Purbasari, nu hiji deui namina Purbararang. Purbararang gaduh sifat adigung jeung kedul, Purbasari gaduh sifat someah tur rajin. Matak Prabu Tapa Agung masihan tahtana ka Prurbasari nu ngajadikeun Purbararang keheul. Manehna teras ngadatangan tukang sihir ngajadikeun Purbasari gaduh panyawat kulit. Purbasari diusir ti karajaan teras cicing di hutan. Di tempat anu sanes, di khayangan aya Pengeran Guruminda anu milarian awewe kanggo dinikahkeun, manehna kedah turun ka bumi lantaran hoyong milarian awewe anu geulis saperetos mamahna. Tapi pas turun ka bumi manehna robah janten lutung hideung anu disebut Lutung Kasarung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3583", "text": "Nalika anjeun pendak sareng jalma énggal, naha anjeun kantos ngaraos yén aranjeunna mangrupikeun jalma anu pas pikeun babaturan? Najan karék panggih jeung manéhna, asa geus lila babaturan.\r\nHiji studi anu dilakukeun ku Professor Jeffrey Hall ti Universitas Kansas, nembongkeun sabaraha lila waktu nu diperlukeun pikeun deepen hubungan ti ngan babaturan ka babaturan pangalusna. Panaliti ieu diturunkeun tina analisa 355 réspon kana survéy online ti jalma-jalma anu pindah dina genep bulan ka tukang, sareng ngadamel réréncangan énggal caket dimana aranjeunna cicing.\r\nHasilna, waktu nu diperlukeun kira 50 jam babarengan pikeun indit ti saukur kenalan ka babaturan biasa. Lajeng éta 90 jam pikeun balik ti babaturan kasual ka babaturan deukeut, sarta leuwih ti 200 jam saméméh nyieun batur sobat pangalusna anjeun atanapi BFFs.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9404", "text": "Ngulas hiji restoran bisa jadi salah sahiji ide keur nyieun konten. Contona, urang bisa ngulas restoran burger. Aya sababaraha lengkah anu kudu dilaksanakeun. Mimiti urang kudu nganjang ka restoran eta sareng mesen sababaraha jinis burger anu sayogi. Salajengna, urang bisa nganilai kualitas daging anu dipake, naha bumbuna nyerep, dagingna lembut atawa henteu. Teras, urang oge bisa nganilai rasa saos sareng topping anu dianggo, naha cocok sareng selera urang atanapi henteu. Salaku tambahan, urang oge tiasa nganilai penampilan eta burger, naha katingali pikaresepeun atanapi henteu. Terakhir, urang oge bisa nganilai pelayanan anu disadiakeun ku restoran, naha ramah tur gancang atawa henteu. Sanggeus ngalakukeun sagala lengkah anu bisa minuhan data urang pikeun ngulas eta restoran, urang bisa nyimpulkeun jeung nganilai naha restoran burger eta bisa dijadikeun rekomendasi atawa henteu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "133", "text": "Hotel Swiss-bellinn Wahid Hasyim, hotelna deukeut jeung Sarinah, Mall Grand Indonesia, jeung nu lainna. Hotel jeung lobi misah, tapi deukeut pagigir-gigir. Jarak kamar hiji jeung nu lainna teu pati anggang. Di jero kamarna disadiakeun dua kasur nu ukuranna lumayan gede. Rohanganna leutik tapi cukup jang duaan. Aya TV, meja belajar, lomari tebuka jang ngagantungkeun baju. Tuluy kamar mandina lumayan beresih, pantona carang. Hotelna di sisi jalan nu rame, jadi rada gandeng ku kendaraan lamun peuting. Di tembokna aya lukisan gambar tapi katingalina make wallpaper lain lukisan leungeun. Wi-fina lumayan tarik. Disadiakeun oge kulkas leutik. Kamarna teu kedap suara, jadi kamar gigireun rada kadenge mun keur ngobrol.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8877", "text": "Sakumna ibu rumah tangga pasti sapamadegan yen nyeuseh ku mesin cuci teh loba pisan kauntunganana sabab bisa ngahemat tanaga jeung waktu. Tapi sok sanajan kitu, tangtu aya oge kakurangana. Misalna wae baju jadi tereh rusak, aya nu coplok kancing na, aya nu soeh, aya oge anu kalunturan ku warna sejena, tur aya oge nu jadi karijut. Kukituna lamun bade nyeuseh ngagunakeun mesin cuci, leuwih hade lamun taliti tur tarapti memeh der nyeuseh. Pisahkeun heula pakean nu warnaan jeung nu bodas polos. Baju nu aya kancingan balikeun posisi kancing aya di bagian jero. Ti dinya karek bisa ngamimitian nyeuseh sakumaha ilaharna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4569", "text": "Mimitina urang maén game candy crush saga ieu, Urang ngan saukur asal asalan jeung panasaran hungkul tapi naha lila lila urang jadi resep pisan jeung maenkeun ieu games wae. Urang jadi kacanfduan jeung gregeten hayang tuluy naek tingkat levelna. Pertandingan tilu permainan ieu sareng objék permen sajikeun langkung ti 5000 tingkat jeung loba deui anu bakal ditambahkeun unggal Rebo. Kanyataanna, lamun dibandingkeun jeung kaulinan Criminal Case atawa Farmville on Facebook dina waktu éta, kalawan kaulinan tina genre ngasah otak, nu sababaraha urang panginten kaulinan ieu moal jadi senang jeung boring, éta kasalahan badag. Kaulinan ieu tiasa masihan pangaruh anu panasaran sareng ditantang dina unggal tingkatan nalika maén.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7968", "text": "Tos hampir lima taun leuwih abdi nganggo angkot, ti SD keneg abdi tos diajar numpak angkot kanggo angkat ka sakola lantaran motor bapa teu cekap kanggo ngabonceng sadaya murangkalihna. Unggal isuk, biasana abdi sok menta ongkos ka mamah atawa bapa kanggo bekel ongkos ka sakola. Tapi pernah hiji poe ongkosna di simpen di luhureun meja. Abdi angkat ka sakola tuluy naek angkot, di tengah jalan pas abdi nuju bade nyiapkeun ongkos abdi neangan duit dina saku tapi teu aya, abdi karek nyadar yen abdi teu acan nyandak ongkos di luhur meja. Abdi langsung reuwas teras nyarios ka sopir angkot yen abdi teu mawa ongkos. Untungna emang angkotna bageur lantaran manehna langsung ngijinkeun abdi tetep numpak angkot sanajan teu mawa ongkos. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5837", "text": "Salah sahiji laptop asus harga tilu jutaan anu hade pisan jang dibeuli nyaeta laptop Asus Vivobook E410MA. Laptop ieu tos dibekelan ku layar saluas 14 inci. Prosessor na sorangan geus make Intel Celeron N4020 nu bakal ngabandungan selancar dina laptop kalayan tereh jeunh sat set. RAM na geus 4 GB, nu didukung ku penyimpanan internal 128 GB/256 GB/320 GB. Desain laptop na ge ipis jeung kesanna elegan. Dukungan software nu hade bakal maturan muka sababaraha aplikasi ge pasti lancar tanpa aya hamnatan, komo ngelag atawa loading mah. Laptop ieu cocok pisan jeung aktivitas sapopoe sabab desainna nu ipis cocok dibabawa ka mana-mana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5381", "text": "Tripitaka nyaeta kitab suci umat buddha anu mangrupa naskah kuno make bahasa Sanskerta. Awal kemunculanna mah Tripitaka teh disampaikeun na lewat lisan ka lisan sabab acan aya tulisan nu muat ajaranna. Nembe dijieun tulisan naskah na teh saentos Sang Buddha wafat, tujuanna supaya ajaran nu disampakeun kajamin kasucian nana jeung teu leungit dimakan masa. Tripitaka artina tilu karanjang pangajaran. Nu kahiji nyaeta Vinaya Pitaka, nu bagean mimitina eusina ngeunaan peraturan-peraturan jang para Bikkhu jeung Bikkhuni. Nu kadua nyaeta Sutra Pitaka, eusina ngeunaan khotbah-khotbah Buddha salila 45 taun nu ngababarkeun Dharma sajumlah 84.000 ajaran. Nu katilu nyaeta Abdhidharma Pitaka, eusina ngeunaan elmu filsafat jeung metafisika Agama Buddha. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2279", "text": "Sabagé umat Islam urang kudu merhatikeun amal-amal anu urang laksanakeun sabab di akherat urang bakal dipertanggungjawabkeun. Ulah hilap sareng hilap yén saatos hirup di dunya aya kahirupan ahérat. Allah subhanahu wa ta'ala ngadawuh dina Al-Qur'an surat al-Hasyr ayat 18: Hartosna, \"He jalma-jalma anu ariman, taqwa ka Allah, jeung kudu ati-ati kana naon-naon anu geus dilakonan pikeun isukan (aherat); jeung taqwa ka Allah. Allah, satemenna Allah Maha Uninga kana naon-naon aranjeun.(QS al-Hasyr: 18) Urang kudu muhasabah kana ayat anu dibacakeun tadi minangka pangeling-ngeling dina ahir taun ieu. tiasa muhasabah diri, tapi kanggo ningkatkeun diri di taun payun nu leuwih hade di taun nu anyar.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5446", "text": "Salah sahiji carita rakyat daerah nu terkenal nyaeta carita dibalik Candi Prambanan. Carita rakyat nu aya dibalik Candi Prambanan nyaeta kisah Roro Jonggrang. Kisah ieu nyaritakeun yen Roro Jongrang teh boga pamenta syarat ka Bandung Bondowoso, nyaeta menta dipangnyieunkeun sarebu candi dina waktu sapeuting. Bandung Bondowoso tuluy ngumpulkeun pasukan jin jang nyieun candi eta. Roro Jongrang nu reuwas nempo candi hampir beres,nutuan lisung jeung ngaduruk jarami supaya disangka waktu janari geus datang jeung jin na kalabur. Tuluy pas diitung, candina ngan aya 999, kurang hiji. Bandung Bondowoso nu kacida ambekna tuluy ngarubah Roro Jongrang jadi candi supaya jumlahna jejeg sarebu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3599", "text": "Naon hal saderhana anu biasana anjeun lakukeun pikeun ngaleungitkeun setrés?\r\n1/ ngatur napas, supados langkung panjang sareng laun. pikiran bakal nuturkeun wirahma napas.\r\n2/ rohani: neneda, puasa, ibadah sarta manggihan imam / imam / pendeta / banthe keur ngabahas.\r\n3/ Nonton pilem.\r\n4/ nongkrong jeung babaturan\r\n5/ tuang tuangeun karesep anjeun (upami anjeun kedah ngatur asupan kana awak, upami sering tuang anjeun tiasa kaleuwihan beurat sareng nyababkeun panyakit)\r\n6/ lembur di kantor, ngalakukeun naon bisa dipigawé. (ngalihkeun pikiran supados henteu fokus kana masalah anu nyababkeun setrés)\r\n7 / maén kaulinan (lamun resep kaulinan). ngan kudu ngatur waktu, ngarah teu 'overdosis'\r\n\r\nIntina: seueur pilihan, tapi anjeun kedah tetep \"Teu sumpek\" dina setrés. Saatos badai ngaliwat, urang bakal janten jalma anu langkung dewasa, wijaksana sareng langkung tahan banting.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "82", "text": "Buah anggur mibogaan rupa-rupa warna jeung rasa. Umumna ninggali buah ieu warna na hideung, beureum, jeung hejo. Rasa amis jeung haseum ti masing-masing jenis ieu oge cukup ngabedakeun antara nu hiji jeung nu lainna. Conto nu ngabedakeunna misalna dina anggur beureum nu nyimpen leuwih saeutik kalori tibatan anggur nu hejo. Atawa anggur hideung leuwih loba ngandung antioksidan. Lamun dina segi rasa, anggur hideung jeung beureum leuwih boga rasa nu amis tibatan anggur hejo nu haseum jeung tajem. Tapi anggur hejo oge dikenal salaku buah anggur bodas. Salian di mangpaatkeun jeung diteundeun di meja, buah anggur oge mindeng ditambahkeun kana salad.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7911", "text": "Dina ngempelkeun dana darurat urang tiasa nganggo rekening anu kapisah atawa nganggo rekening anu tos aya. Henteu kunanaon upami urang masih hoyong ngasamel dana darurat dina akun anu misah. Nanging, teu aya anu lepat oge upami urang hoyong terus gaduh asuransi. Justru ieu bakal ngabantosan urang gaduh dana darurat anu aya hubunganana sareng kabutuhan khusus. Salaku conto dana darurat nalika urang gering sareng peryogi jasa kasehatan, urang tiasa milih asuransi kasehatan supados urang henteu kedah nyandak deui artos darurat dina rekening khusus eta. Dina asuransi aya seeur pilihan asuransi anu tiasa urang pilih sasuai jeung pangabutuh urang. Aya asuransi kasehatan, asuransi pendidikan, asuransi kacilakaan jeung sajabana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2293", "text": " Saméméh jeung mangsa Nyepi, umat Hindu ngalaksanakeun sababaraha tradisi pikeun ngabagéakeun Taun Anyar Saka.\nHari Raya Nyepi anu asalna tina kecap 'sepian' anu hartina 'tenang jeung hening', dirayakeun dina tanggal 1 tanggal 10 Caka (Saka) atawa \"Pananggalan Apisan Sasih Kedasa\". Aya sababaraha tradisi anu dilaksanakeun dina Poé Nyepi, anu dina prakna mangrupa runtuyan sababaraha poé.\nAdaoun taun ieu, Hari Raya Nyepi Taun Saka 1944 tumiba dina poé Kemis, 3 Maret 2022. Hal ieu geus ditetepkeun ku Pamaréntah dina 16 poé libur nasional taun 2022 sakumaha anu kaunggel dina Surat Keputusan Bersama Menteri Agama, Menteri Tenaga Kerja, Menteri Pendayagunaan Aparatur Negara. jeung Réformasi Birokrasi Nomer 963 Taun 2021, Nomer 3 Taun 2021, Nomer 4 Taun 2021 ngeunaan Hari Libur Nasional jeung Cuti Bersama Taun 2022.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2417", "text": "Kabeneran wayah kieu loba pecalang hareupeun imah kuring. Dumasar kana katerangan ti nini mah, fungsi pecalang sorangan minangka unit kaamanan adat atawa tradisional di Bali. Fungsina ampir sarua jeung pulisi, nya éta ngajaga kaamanan. Biasana pecalang ogé bakal aya nalika wabah sapertos pandémik ayeuna. Siga nu hareupeun gang imah kuring, pecalang keur mantuan pulisi ngingetkeun warga sangkan terus maké masker. Dina penampilan, pecalang biasana didominasi ku lawon hideung bodas kalayan motif kotak-kotak sarta ngagunakeun pita sirah (udeng). Aya ogé pecalang mawa keris atawa iteuk. Pecalang anu tujuanana ngabantosan ngamankeun palaksanaan ibadah. Di wewengkon Sesetan, upamana, hareupeun komplek TNI Angkatan Laut, Pecalang giat ngokolakeun lalu lintas saméméh jeung sabada umat Islam ngalaksanakeun ibadah Sholat", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8277", "text": "Jalma anu geus pernah robah-robah gawe, tangtos geus dipikaharti kumaha hesena eta adaptasi jeung lingkungan kantor anyar. Pikeun mantuan adaptasi di kantor anyar, urang tiasa mikawanoh kaayaan lingkungan sabudeureun gawe. Unggal kantor teh tangtos boga budaya gawe beda. Hubungan antara divisi, hubungan dina hiji divisi, jeung lianna mindeng beda ti nu sejen. Upami anjeun teu malire hal-hal sapertos kieu, anjeun teh bakal bingung sareng seueur masalah. Hasilna, anjeun bakal manggihan hese atanapi teu ngarasa betah di kantor anyar. Lajeng manggihan rerencangan anjeun bisa dipercanten. Hiji hal anu tiasa nyieun urang gancang betah di lingkungan anyar nyaeta ayana babaturan nu dipercanten.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8041", "text": "Ronaldo janten salah sahiji bintang di dunya sepak bal. Karirna mimiti dimulai di klub nagara asalna, nyaeta klub Sporting CP. Hiji taun maen di klub eta, taun 2003 manehna ditranfer pindah ka klub ageung di Inggris nyaeta Manchester United. Di klub ieu manehna mulai nganggo nomor tonggong 7, nomor nu saacanna dianggo ku pemaen-pemaen bintang sapertos George Best, Eric Cantona, sareng David Beckham. Perkawis eta ngamotivasi Ronaldo pikeun janten pemaen nu sarua hadena. Kirang langkung 7 taun di Manchester United, taun 2009 Ronaldo gabung ka Real Madrid. Pangaos tranferna janten salah sahiji nu pang awisna. Nika ayeuna Ronaldo pindah ka salah shiji klub di liga Arab, ngabela An-Nassr tetep didukung ku fans-fansna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8669", "text": "Ngarasakeun kaleungitan babaturan teh kacida nyerina jeung hese diungkulanana. Kaleungitan babaturan bisa lumangsung pikeun sagala rupa alesan, kayaning jarak, beda dina kapentingan, beda pendapat, atawa malah maot. Rasana kaleungitan bagian tina urang, sapertos kaleungitan jalma anu salawasna aya pikeun urang dina waktos susah. Urang bisa ngarasa sepi, leungit pamahaman, jeung ngarasa terasing ti jalma di sabudeureun urang. Sakapeung, urang sigana ngarasa kaleungitan jalma anu penting pisan sareng hese diganti. Salian ti eta, kaleungitan babaturan oge bisa nimbulkeun rasa sedih, leungitna harga diri, jeung rasa leungiteun arah dina kahirupan. Urang bisa jadi ngarasa teu bisa ngawangun deui hubungan nu rusak, atawa bisa jadi ngarasa yen urang moal manggihan sobat sejen alus saperti jalma ieu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5897", "text": "Salah sahiji teknologi nu nuju dipuja ku jagat maya teh nyaeta teknologi dina hape Samsung Galaxy S23 Ultra. Hape ieu dibanderol dina harga dua puluh jutaan jeung resmi rilis di Indonesia bulan Februari 2023. Kacanggihan hape ieu teh ditembongkeun dina aspek kamerana anu dinilai bisa ngelehkehn Iphone. Pasalna, kamera nu dipasang teh nyaeta 200 MP. Foto nu dihasilkeun ge leuwih bokeh jeung jelas malahan mah bisa ngarekam tekstur bulan. Warna nu tersedia na ge aya dua warna nyaeta hideung panthom jeung lavender. Video nu dihasilkeun na ge bisa nepi ka resolusi 8k di 30 FPS. Pokokna mab hape ieu teh rekomended pisan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9392", "text": "Tahu nyaeta kadaharan anu dijieunna tina sari kacang kadele. Tahu bisa diolah jadi loba rupa kadaharan. Bisa digoreng hungkul, bisa dijieun jadi asakan siga balado, semur, jeung sajabana. Salian rasana nu ngeunah jeung lemu, tahu oge miboga mangpaat keur kasehatan. Salian protein, tahu oge miboga nutrisi nu bisa ngajaga kakuatan tulang nepika nolak panyakit kanker. Tatapina, di jaman modern ayeuna tahu geus loba variasina. Salian nu dijieun tinu kacang kadele, aya oge tahu anu dijieunna tina susu sapi. Tahu ieu biasana bisa dipanggihan di Lembang, Kabupaten Bandung Barat. Tahu ieu leuwih lemu tibatan tahu nu biasa. Rasana oge leuwih gurih kusabab susu miboga rasa nu geus gurih timimitina. Jadi, geus moal ngarasa bosen deui kusabab tahu geus loba rupana, ngeunah rasana, tur loba mangpaatna keur kasehatan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8690", "text": "Jalma ngarasa penting pikeun ngaleungitkeun setres, sabab setres tiasa mangaruhan kasehatan fisik sareng mental. Setres berkepanjangan bisa ningkatkeun resiko sagala rupa masalah kasehatan kayaning nyeri sirah, gangguan pencernaan, gangguan sare, kahariwang, depresi, komo panyakit jantung. Salaku tambahan, setres berkepanjangan oge tiasa ngaganggu kualitas kahirupan sareng kabagjaan. Setres bisa ngajadikeun jalma ngarasa cape, teu sumanget, hese konsentrasi, jeung teu produktif. Ieu tiasa mangaruhan padamelan, hubungan sosial, sareng kagiatan sapopoe. Ku ngaleungitkeun setres, hiji jalma tiasa ngirangan resiko tina masalah kasehatan sareng ningkatkeun kualitas kahirupan sareng kabagjaan. Ngaleungitkeun setres tiasa ngabantosan jalma janten langkung tenang, rileks, fokus sareng produktif. Ieu tiasa ningkatkeun kapercayaan diri, motivasi, sareng kabagjaan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4476", "text": "Olahraga nu babari di lakukeun salah sahijina nyaeta push up, tapi babari ge push up mah tetep efektif keur olahraga khususna lamun erek ngajieun otot. Push up bisa di lakukeun dimana wae jeung iraha wae. Urang biasa ngalakukeun push up lamun isuk isuk samemeh mulai aktivitas atawa peuting samemeh sare. Push up bisa di lakukeun dimana wae, push up teu butuh tempat anu lega oge. Di kamar oge urang bisa ngalakukeun push up. Kuncina lamun hayang latihan olahraga push up ngan kudu rajin, lamun urang rajin pastina hasilna tina olahraga push up oge aya. Urang bisa leuwih sehat, ngajaga beurat badan jeung bisa ngabentuk otot.utamana otot bisep anu dina leungeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6736", "text": "The Lodge Maribaya sapertos janten tempat anu kedah pisan didatangan lamun ulin ka daerah Lembang, Bandung. Tempat anu viral ieu nyadiakeun seeur kagiatan anu tiasa dicobian ku kulawargi anu datang ka tempat ieu. Pintonan hutan pinus, jeung uadara seger janten daya tarik kanggo popotoan di dieu. Urang tiasa kemping, mapah, numpak sapedah gantung, jeung kuliner di dieu. Tempat ieu oge tiasa dipake kanggo kumpul-kumpul kagiatan kantor, tiasa oge dipake tempat jang hajatan. Aya sababaraha wahana anu tiasa dicobian, di antarana balon udara kanggo anu hoyong ngasaan rasana ngapung, ayunan, sapedah gantung, jeung sajabana. Tempat ieu buka ti tabuh salapan enjing nepikeun jam lima sonten.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2239", "text": "Dr. Bahar Azwar, SpB-Onk, ahli bedah-onkologi (bedah tumor) lulusan FK UI dina bukuna “Nalika Dokter Nafsirkeun Sholat” mampuh ngajelaskeun harti gerak solat. Naon mangpaat sabenerna solat jeung gerakan na médis? Sajauh ieu, solat anu urang lakukeun lima waktos sadinten parantos nyayogikeun investasi kaséhatan anu ageung pikeun kahirupan urang. Dimimitian tina wudhu (nyucikeun), gerakan sholat dugi ka salam ngagaduhan makna anu luar biasa pikeun kaséhatan fisik, mental bahkan kasaimbangan spiritual sareng émosional. Tapi hanjakalna saeutik urang ngarti. Di handap ieu runtuyan mangpaat kaséhatan ti rukun Islam kadua ieu.\r\na. Nangtung lempeng\r\n\r\nNgadeg lempeng nyaéta alignment tulang tonggong, sareng mangrupikeun awal latihan pernapasan, pencernaan sareng tulang.\r\n\r\nb. Takbir\r\nTakbir mangrupa latihan awal napas, bayah mangrupa alat pikeun ngambekan, paru-paru urang ditangtayungan dina rongga dada anu diwangun ku iga anu melengkung jeung tulang tonggong anu buncit. Susunan ieu dirojong ku dua jenis otot, nyaéta anu ngajauhan panangan tina dada (abductor) jeung ngadeukeutkeunana (adductor). Takbir hartina kagiatan ngangkat leungeun jeung manjangkeun, sangkan rongga dada ngalegaan kawas bayah. Jeung ngangkat leungeun hartina manjangkeun otot taktak sangkan aliran getih nu mawa oksigén jadi lancar.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2704", "text": "Meureun alesan ieu hurung aneh keur urang, sabab biasana manusa sabenerna hirup ku cara ngurangan tegangan maranéhna ngalaman. Sanajan kitu, dina tiori psikologi, manusa sabenerna boga tujuan pikeun nambahkeun tegangan dina kahirupan maranéhanana, sabab tegangan ieu jadi motivasi pikeun neruskeun hirup. Bayangkeun upami urang henteu deui gaduh konflik dina kahirupan urang sareng hirup dina kaayaan anu datar. Urang malah bisa leungit tujuan hirup.\r\n\r\nNgalakonan olahraga ekstrim bahaya, tapi teu mungkin mun ngalakukeun. Kalayan latihan sareng perencanaan anu ati-ati, urang tiasa ngaminimalkeun résiko olahraga anu bahaya ieu.\r\nTambih Deui, kalawan asuransi keur olahraga ekstrim ti urang +, kaamanan urang bakal leuwih dijamin. Rasa aman éta bakal ngajantenkeun urang langkung percaya diri dina ngalaksanakeun kagiatan ekstrim sareng kaayaan psikologis ieu penting pisan nalika nyanghareupan bahaya olahraga ekstrim.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "99", "text": "Lamun rek ngadahar seafood kudu pinter milihna, ulah nepika milih seafood nu teu seger sabab bisa wae karacunan. Tapi aya carana supaya bisa milih seafood nu seger. Nu kahiji, ambeuan bauna. Ngambeu bau seafood bakal babari apal seger henteuna seafood eta. Seafood nu seger mah biasana bauna hampang henteu amis, haseum, atawa tengi. Nu kadua, tingali oge luarna. Sabab nu seger mah biasana warnana caang, sisikna pageuh ngaraket. Siripna masih warna beureum. Nu terakhir, pariksa padet henteuna seafood teh. Nu seger mah biasana masih padet, jeung pas diteken teh euweuh urutna. Tuluy mun geus dibeuli jeung dibawa balik, kudu geura-geura disimpen kana jero freezer.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2723", "text": "Daniel Landers, profésor pendidikan olahraga ti Arizona State University Daniel Landers, ngungkabkeun mangpaat latihan: Ningkatkeun kamampuan otak: Latihan fisik anu teratur tiasa ningkatkeun konsentrasi, kréativitas, sareng kaséhatan méntal. Ieu kusabab latihan tiasa ningkatkeun jumlah oksigén dina getih sareng ngagancangkeun aliran getih kana uteuk. hal eta loba ningkatkeun oksigen ka sagawayah geutih nu aya dina awak arurang. Olahraga nyaéta kagiatan fisik anu dilaksanakeun pikeun ngajaga kaséhatan sareng nguatkeun otot-otot awak. Latihan mangrupikeun cara alami pikeun ngajaga kaséhatan sareng nyegah panyakit. Panalungtikan ngabuktikeun, aktip unggal poé bisa ngajaga anjeun tina resiko panyakit. Dimimitian ti ieu, olahraga bisa dianggap salaku ubar, nu lajeng ngainspirasi lahirna terapi latihan (terapi olahraga). ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8850", "text": "HP teh sabenerna loba manfaatna pikeun kahirupan urang. Ngan hanjakalna teu kabeh jalma bisa ngamanfaatkeun HP kalayan bijaksana. Jadi tibatan mere manfaat malah ngamadhorotkeun pamakena. Contona, HP teh fungsi utamana nyaeta keur komunikasi jarak jauh. Tapi kulantaran jaman beuki maju, fungsi hp oge jadi beuki nambah, kusabab fitur nu aya dina hp oge beuki ningkat. Lian ti eta, ku ningkatna fitur-fitur dina hp, urang bisa ngalakukeun rupa-rupa kagiatan. Ti mimiti milari informasi, maen game, ngobrol (chatting) lewat wa, line, telegram, Twitter, atawa muka Instagram, Facebook, YouTube jeung sajabana ti eta. Lolobana kagiatan anu make hp teh sifatna hiburan. Geus lain rahasiah deui di kalangan barudak ngora mah mun teu muka hp sabaraha menit wae ge geus katingal jiga nu jauh panineungan. Nyebutnya teh 'gabut' cenah. Hudang sare ceg kana HP, keur dahar nyoo HP, ngobrol jeung kolot atawa babaturan ge angger bari nyoo HP, pon kitu deui rek sare ge masih nyonyoo HP. Beak waktu teu puguh lantaran nyoo hp. Kacida pisan lebarna. Kukituna perlu pisan aya kendali ti nu jadi kolot pikeun barudak na dina saenggoning ngagunakeun HP.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "26", "text": "Cimol salah sahiji kadaharan tradisional nu asalna di Bandung. Cimol miboga arti nyaeta Aci digemol. Kadaharan ieu kaasup nu sederhana tapi ngeunah, komo deui lamun make saos kacang, atawa ditaburan ku bumbu bubuk. Sabenerna cara nyieun cimol sederhana, teu kudu jauh-jauh neangan. Bisa nyieun cimol di imah sorangan. Ngan salah sahiji nu dipikasieun teh nyaeta cara ngagorengna anu sok meletus minyakna jeung nyipratan kana kulit. Tapi aya carana nyaeta minyak na kudu sina panas heula, kakara seuneu na dileutikan. Saenggeus kitu asupkeun cimol kana katel masak nepi ka asak. Aya cara nu kadua, nyaeta samemeh cimol diasupkeun kana katel nu panas, kudu dicelupkeun heula cimol kana minyak anu tiis ngameh teu meletup-letup.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6498", "text": "Salah sahiji kasalahan fatal ketika pendakian gunung teh nyaetaa persiapan nu minim. Misalna tina segi barang-barang nu dibawa. Sok aya malahan nu can paham kana barang naon wae nu kudu dibawa pas naek gunung. Tuluy tong asal naek gunung oge, kudu dibekelan make elmu penunjangna jiga navigasi darat, survival, jeung sajabana. Ngeunaan barang bawaan wajib dina naek gunung teh nyaeta utamana P3K saenggeus kabutuhan pribadi. Tong hilap oge kana kabutuhan kelompok jiga logistik termasuk tenda nu kacida pentingna dina pendakian. Jadi, samemeh naek gunung teh yuk urang diajar heula ngeunaan kaelmuan nana! Supaya bisa ngaminimalisir hal negatif nu sawaktu-waktu bisa terjadi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1937", "text": "Buper Cidewata , aya di daerah Kabupaten Majalengka, Keamatan Rajagaluh, desa payung. gaduh bentang alam anu endah pisan sareng dikurilingan ku gunung sareng pasir. Wisatawan ogé bisa ngarasakeun pintonan sunrise jeung Panonpoé Tilelep. Panonpoé anu éndah katingali ti gunung Liang Angin, sedengkeun ti kulon buper Cidewata katingali panonpoe surup di tukangeun Gunung Tampomas, Sumedang. Buper Cidewata dibuka pikeun ngaminimalkeun kahuruan leuweung di éta wewengkon, lantaran lahan buper téh rawan kahuruan. Buper Cidewata aya dina kaluhuran 1.078 méter di luhur permukaan laut. Suhu beurang di wewengkon buper handap 25ºC jeung peuting ngahontal 14ºC. pas sarangenge kabentar isuk isuk pasti manrupikeun saat nu endah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "97", "text": "Aya seafood di sisi jalan. Nyaeta di Sumber Sari Seafood di Jalan Gardujati Kota Bandung. Pas kadieu rada ragu kusabab tempatna teh masih sepi tapi da emang nu jualanna bukana jam satengah dalapan peuting. Didieu loba rupa-rupa pilihan seafood, jeung bisa milih rupa-rupa saosna. Aya kerang saos padang, cumi tarigu lada, lauk gurame saos rica, cumi saos tiram, jeung kangkung. Nu paling ngeunah nyaeta cumi tarigu lada. Hargana 255 rebu jang opat jelemaeun. Salian ti menu tadi, aya oge kepiting, lauk kerapu, lauk kakap, lauk bawal. Lamun saosna aya saos mentega, saos padang, saos asam manis. Bisa milih oge kangkungna aya kangkung polos jeung kangkung seafood,", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7107", "text": "Unggal umat muslim boga kawajiban ngalaksanakeun parentah nu utama, nya eta ngalaksanakeun ibadah sholat. Sholat mangrupikeun tihang agama pikeun unggal muslim. Aslina mah urang tiasa ngado'a dimana wae urang ayana salami tempatna beresih sareng suci. Loba pisan tempat anu bisa dijadikeun tempat solat, mimitian ti masjid (hartina tempat sujud), musholla (hartina tempat solat), sanajan di imah atawa di kamar. Umat ​​Islam diwajibkeun ngalaksanakeun solat berjamaah. Shalat berjamaah miboga fungsi sosial, nyaet ngahijikeun jalma sangkan leuwih deukeut ka Alloh. Mushola janten alternatif kanggo muslim anu hoyong ngalaksanakeun shalat tapi teu mendakan mesjid. Komo di negara anu sanes mayoritas muslim anu teu gaduh seeur mesjid.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2798", "text": "Blénder biasana dianggo pikeun ngadamel jus sareng tuangeun puree. Alat ieu cukup populer sareng sering dianggo salaku bantosan masak. Rupa-rupa merek sareng modél blender tiasa gampang dipendakan di pasar, mimitian ti Cosmos, Philips, Oxone, Sharp, sareng anu sanésna. Kusabab jumlah pilihan anu ageung, anjeun kedah langkung ati-ati nalika milih hiji. Pikeun ngagampangkeun anjeun ngadamel pilihan, kami bakal ngajelaskeun kumaha milih Blénder anu saé, terang jinis-jinis Blénder, sareng kumaha bédana sareng produk anu sami. Anjeun meureun geus katempo Blénder, processor dahareun, sarta juicer. Parabot ieu katingalina sami, tapi saleresna gaduh fungsi atanapi kagunaan anu béda. Blénder mangrupikeun alat anu tiasa dianggo pikeun motong tuangeun sapertos buah sareng sayuran kana ukuran anu alit. Buah atawa sayuran anu keur dipotong diaduk maké tanaga rotasi nepi ka téksturna jadi lemes.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7957", "text": "Sasih ieu abdi aya kagiatan di hiji desa, posisi imah di desa ieu teh aya di handap janten lamun mawa motor kedah ati-ati lantaran jalanna laleutik keneh jeung rada licin. Jalan di desa umumna diwangun ku kai atawa batu-batu badag anu ditumpukkeun di jalan teu acan seeur nganggo aspal jeung lolobana teh jalan satapak anu di sisina aya jukut. Jalan aspal masih keneh jarang, biasana digentos ku jalan anu ditutupan ku semen atawa make awi anu dijajarkeun di jalan. Jalan di desa masih keneh hareurin lantran ngan cekap kanggo saurangeun hungkul, teu cekap kanggo mobil lantaran teu pati seeur jalmi anu nganggo mobil di dieu. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8793", "text": "Olahraga nu kawilang dipikameumeut mangsa keur budak nyaeta jogging, sabab jogging teh olahraga anu murah tur gampang dilakukeun. Kunaon bet murah? Sabab jogging teu merlukeun tempat anu husus, hartina bisa dilakukan dimana wae jeung iraha wae. Rek di lapangan bisa, rek di taman bisa, rek di jalan raya oge bisa. Rek di tempat terbuka atawa tempat tertutup oge bisa. Saha wae bisa ngalakukeun jogging, budak, rumaja, kolot, lalaki atawa awewe. Jogging kacida pisan loba manfaatna pikeun kasehatan urang. Numutkeun panalungtikan para ahli, ku rutin ngalakukeun jogging, paru-paru urang bakal sehat tur kuat. Ku lantaran kitu, kacida pisan alusna mun urang bisa ngabiasakeun diri ngalakukeun jogging unggal poe.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7661", "text": "Basa jualan online tos mulai seeur dilakukeun ku seeur jalmi, beuki seeur oge tempat kanggo jualan online dina aplikasi sapertos Shopee, Bukalapak, Tokopedia, jeung Lazada. Baheula seeur keneh jalmi anu sieun balanja dina aplikasi lantaran teu ningal barangna langsung bisi dibobodo. Tapi beuki seeur anu nyobian balanja dina aplikasi teras teu aya masalah, seeur jalmi anu mulai balanja dina aplikasi. Balanja dina aplikasi teh gampil pisan. Urang tinggal gogoleran sabari milihan barang anu bakal dibeuli, teras mayar, teu lila barang anu dibeuli bakal nepi ka hareup imah urang, janten urang teu kedah pupuiran dina pasar atawa indit ka pasar deui. Leuwih hemat kana waktos jeung tanaga. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4235", "text": "Nepi ka ayeuna can aya katangtuan kunaon Bika ambon tapi dahareun has medan, tapi aya rupa rupa carita atawa asal usul na Nepi ka ayeuna can aya katangtuan kunaon Bika ambon tapi dahareun has medan, tapi aya rupa rupa carita atawa asal usul na kahiji kecap \"Ambon\" dina Bika Ambon mangrupa akronim tina Amplas Kebon sakumaha urang Medan resep nyendek kecap dialek Medan. Carita Jaman Kolonial Walanda, para pendatang anu cicing di wewengkon Amplas di sisi wétan walungan disebut Amplas Kebon nyieun kueh bikang pikeun dijual ka Kota Medan sarta saterusna jadi populér alatan di paménta ku warga Walanda jeung Cina di Medan waktu harita, aya deui versi nu kadua na nyaeta kueh ieu mimiina di panggihan atawa di jual di jalan Ambon jadi katelah bika Ambon terus aya deui Vérsi tilu jeung opat Jaman baheula aya urang Ambon anu mawa kueh Bingka ka Malaysia jeung saterusna jadi ngaran. Vérsi kaopat; Ambon mangrupa kecap basa Médan anu hartina lemes. Tapi, kekecapan ieu geus lila teu dipaké di kahiji kecap \"Ambon\" dina Bika Ambon mangrupa akronim tina Amplas Kebon sakumaha urang Medan resep nyendek kecap dialek Medan. Carita Jaman Kolonial Walanda, para pendatang anu cicing di wewengkon Amplas di sisi wétan walungan disebut Amplas Kebon nyieun kueh bikang pikeun dijual ka Kota Medan sarta saterusna jadi populér alatan di paménta ku warga Walanda jeung Cina di Medan waktu harita, aya deui versi nu kadua na nyaeta kueh ieu mimiina di panggihan atawa di jual di jalan Ambon jadi katelah bika Ambon terus aya deui Vérsi tilu jeung opat Jaman baheula aya urang Ambon anu mawa kueh Bingka ka Malaysia jeung saterusna jadi ngaran. Vérsi kaopat Ambon mangrupa kecap basa Médan anu hartina lemes. Tapi, kekecapan ieu geus lila teu dipaké di Medan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5067", "text": "Basa libur kuliah, Nunu nyempetkeun ameng ka Pantai Santolo. Lokasina di Cikelet, Garut Selatan. Kabeneran pisan harita teu aya pengunjung selain Nunu, jadi pantaina sepi pisan. Pasir putihna meuni beresih, seueur terumbu karang deuih di sisi pantaina, oge aya sababaraha waung di handapeun tangkal kalapa. Eta pantai lega pisan, anjat kangge lulumpatan jeung popotoan. Pamandanganna sae pisan, suasana na tiis. Angin ngagelebug nepakan daun kalapa, meuni tiis sejuk kacida. Ngeunaheun pisan jang nyantai didieu. Nunu cicing di handapeun tangkal kalapa bari nguyup cai kalapa nang meser ti warung. Duh, meuni nikmat pisan pamandangan jeung suasana na. Pas pisan kangge liburan tina penat tugas sapopoe teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5417", "text": "Tradisi bakar batu nyaeta tradisi nu dilaksanakeun ku suku Dani di Lembah Baliem, Papua. Tradisi bakar batu tujuanna sebagai bentuk rasa syukur atas hasil bumi nu tos dilimpahkeun, jeung oge bentuk syukur dina ayana kagiatan di suku Dani. Tradisi bakar batu dilakukeun ku cara manggang babi jeung dahareun sejenna make batu nu panas. Biasana babi nu dipanggang teh babi nu dipanah ku kepala suku. Jadi, kepala suku teh gantian manah babi jang tradisi bakar batu. Salian babi, oge dipanggang mangrupa-rupa hasil tani jiga hui-huian, bungbuahan, jeung dangdaunan. Tradisi ieu dilaksanakeun dina nyambut kalahiran, kamatian, jeung peristiwa penting. Tradisi ieu salian bentuk syukur ka karuhun, ge sebagai bentuk solidaitas antaranggota suku.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6646", "text": "Dahareun olahan hayam karesep abdi nyaeta hayam geprek. Hayam geprek biasana didamel ti hayam goreng tipung biasa anu digeprek make sambel. Rasa sambel anu ngajiji jeung kulit hayam eta nu bener-bener nikmat. Ayam geprek leuwih gampang didaharna lantaran tos digeprek. Abdi paling resep milih hayam pingping hayam bagian luhur lantaran dagingna kenyal aya lemak-lemak na jeung kulitna oge biasana kandel. Abdi resep pisan emam kulit hayam komo nu digoreng jeung tipung, garing jeung geunyal. Sambel karesep abdi lamun ngadahar hayam geprek nyaeta sambel goreng anu teu ngangge tomat. Ngan bawang bodas, bawang bereum jeung cengek hungkul oge tos nikmat dicampurkeun kana hayam.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8267", "text": "Upami anjeun hoyong janten pengusaha anu sukses, ieu mangrupikeun carana. Mibanda kaahlian salaku pangusaha. Kaahlian ieu kalebet ngartos target pasar, ngartos kabutuhan pasar, tiasa maca kasempetan, kaahlian komunikasi anu sae, jeung sajabana. Sakabeh kaahlian ieu bakal mangpaat pikeun pangusaha sabab bakal diperlukeun dina mangsa ngawangun usaha. Boga akses ka modal. Modal usaha mangrupikeun salah sahiji konci supados usaha tiasa jalan sareng tetep lancar. Anjeun tiasa kengingkeun modal ti mana wae. Boh ti investor, duit sorangan, komo ti bank. Mampuh ngahasilkeun solusi. Wiraswasta nyaeta jalma anu sanggup mere solusi wirausaha anu pas pikeun hiji masalah anu keur lumangsung. Solusi anu disayogikeun oge leres-leres luyu sareng kabutuhan pasar. Ku nyiptakeun solusi anu pas, produk atanapi jasa anu anjeun tawarkeun bakal langkung gampang ditampi ku pasar.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "898", "text": "Loba mangpaatna da nongton olahraga jeung anak teh. Tuluy naon wae mangpaatna? Di antarana teh nyaeta, diajar wanoh ngeunaan sportivitas. Anak bisa ninggali situasi jeung kondisi tina pertandingan nu keur maen sarta mampu meunangkeun pembelajaran nu menarik ngeunaan sportivitas. Maranehna bakal ninggali para atlet nu keur bajoang pas keur maen, kaasup dijerona cara kompetisi anu sehat. Tuluy ngajak anak jang aktif gerak jeung hirup sehat, ninggali atawa nongton olahraga ku sacara rutin oge bakal ngabentuk kabiasaan anyar nyaeta aktif olahragana. Salian ti eta si anak oge jadi teu maen gadget wae. Tuluy mun aya pertandingan antar negara siga Asean Games, pasti melak rasa nasionalisme dina diri anak, leuwih mikacinta deui ka bangsa Indonesia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5470", "text": "Peuyeum Bandung jadi salah sahiji oleh-oleh khas Kota Bandung. Bahan dasarna nyaeta sampeu tuluy difermentasi. Cara nyieun peuyeum Bandung teh gampang pisan. Mimti, siapkeun sampeu tuluy pesekan. Tos dipesek, sampeu dikumbah sing beresih dugi ka lenang bodas. Tuluy godogkeun sampeu lima belas menit. Tos kitu, bubukkeun ragi sing seueur. Beres eta, baluran sampeu nu tos tiis make ragi nu geus dibubukeun, dibaluran na hiji-hiji gelempengan. Tuluy simpen sampeu nu geus dibaluran ragi dina wadah gede, susun kabeh sampeu dugi ka rapih. Tos beres disusun, tutupan make daun cau sing rapet, terus tutupan wadahna make tutupna sing rapet. Antepkeun salila dua nepi ka tilu poe supaya proses fermentasi sampeuna alus. Geus tilu poe, sampeu geus jadi peuyeum, siap jang dituang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1549", "text": "Naon dana darurat teh? Dana darurat teh nyaeta dana anu disisihkeun jang kabutuhan nu sifatna darurat, mendesak, jeung teu diduga-duga saacanna. Contona naon? Misalna urang keuna PHK jeung teu meunang deui pemasukan. Urang tetep butuh dahar jeung mayar pengeluaran sejen, pan? Tuluy misalna laptop/HP jang gawe ruksak, kakeunaan bencana, geuring/berobat, jeung kabutuhan mendesak sejenna. Tuluy dana darurat eta ulah dipake jang balanja barang konsumtif, siga DP imah, muka bisnis, komo deui jang jajan. Sabaraha idealna nyiapkeun dana darurat teh? Dumasar ti sababaraha sumber idealna jang single teh 6x pengeluaran bulanan, mun geus kawin 9 x pengeluaran bulanan, jeung nu geus kawin ditambah boga anak, 12 x pengeluaran bulanan. Tapi menurut urang, luyukeun weh jeung kabutuhan. Teu kudu lieur heula ku jumlahna nu berkali-kali lipat, nu penting mah mimitian heula ngumpulkeun ti ayeuna keneh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8801", "text": "Dina ngalakukeun senam kaséhatan jasmani atawa SKJ, aya lima tahapan. Kahiji nyaeta sikep awal, samemeh ngamimitian latihan, urang kudu boga posisi awak nangtung kalawan taktak rileks. Leungeun duanana aya di gigireun awak sarta kasampak lempeng ka hareup. Nu kadua nyaéta pemanasan, biasana dimimitian ku leumpang di tempat lajeng mindahkeun sirah anjeun ka katuhu jeung kenca, luhur jeung ka handap. Salajengna nyaéta gerakan taktak, teras gerakan panangan sacara dinamis. Pemanasan dilaksanakeun salila 10 menit, gerakan ieu boga tujuan sangkan awak beradaptasi jeung gerakan senam pikeun nyingkahan kram otot. Katilu nyaéta gerak transisi, gerakan ieu bisa dilakukeun ku jalan leumpang, kekeprok, gerak maju jeung mundur. Kaopat, gerakan inti, gerakan ieu tiasa dilakukeun ku cara ngalempengkeun sareng ngabengkokkeun panangan, ayun jeung ngangkat suku.Biasana, gerakan inti ieu dilaksanakeun salila 15 nepi ka 20 menit. Tungtungna, niiskeun ku gerakan manjang statik. Gerakan ieu boga tujuan pikeun bersantai awak sanggeus ngalakukeun gerakan gancang saméméhna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2784", "text": "Pikeun mesin cuci TOP LOADING, kaunggulan nyaéta mesin kompak sareng harga murah. Suku cadang ogé langkung mirah sareng perbaikan langkung saderhana. Kelemahanna nyaéta yén mesin ieu langkung boros cai, sistem pengeringan henteu garing sapertos beban payun kusabab laju RPM / rotasi tabung rendah sareng hasil cuci henteu bersih sapertos beban payun. Pikeun mesin cuci FRONT LOADING kaunggulan nyaeta hasil cuci leuwih bersih sabab dibanting ku gravitasi, sarta bisa ngahasilkeun cai panas. Pamakéan cai kirang sareng spin drying hasil tina rotasi tube drier sabab model tangtu bisa spin nepi ka 1000RPM. Sedengkeun kalemahanna nyaéta harga mesin anu mahal. Suku cadang mahal sabab sistemna rumit. Sareng anu henteu terang seueur jalma nyaéta yén mesin ieu langkung gampang pikeun nransferkeun warna tina baju anu luntur ka baju sanés kusabab ngagunakeun cai sakedik.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6667", "text": "Olahan kiripik emang sok aya wae inovasina. Misalna wae kiripik cau, baheula kiripik cau ngan digoreng ipis panjang teras disamaraan make uyah, ayeuna tos aya rupi-rupi kiripik cau anu disamaraan make coklat bubuk, bubuk enteh hejo, keju, susu, panila, jeung sajabana. Inovasi dahareun ieu alus sabab bisa ngangkat Usaha Kecil Menengah jadi leuwih kasohor. Usaha inovasi cau oge bisa ngabantosan patani cau. Janten dahareun teh aya nilai leuwihna. Jelema nu tadina teu resep kiripik cau lantaran jiga dahareun kolot jadi aya kahoyong kanggo nyobian. Tapi abdi nyalira leuwih resep kana kiripik cau anu original, komo mun kiripikna digoreng ipis pisan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7641", "text": "Usum hujan kieu ditambih ayeuna mah seeur jalmi anu gawe ti imah janten seeur jalmi anu nyadiakeun jajanan jang opieun di imah sabari kuliah atawa gawe. Adi abdi sareng rerencangan barudak karang taruna icalan baso aci. Asalna mah baso aci na ngan diical di lapangan RT hungkul. Tapi seeur oge jalmi anu sanes anu hoyong nyobian baso aci tulang anu ngeunah eta, janten maranehna nyieun baso aci anu dibungkusan jeung tiasa dibawa jeung disimpen lila. Baso acina didamel nyalira, bungbu sareng topingna oge ngaracik sorangan. Hiji bungkus baso aci dihargaan lima belas rebu, eusina tos aya lima baso aci gajih jeung baso aci tulang sareng aya oge batagor lidah jeung siomay ditambih bungbu jeung jeruk nipis. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6645", "text": "Abdi paling resep ngadahar cireng. Komo mun cireng isi keju atawa hayam suir. Rasana garing di luarna tapi geunyal di jero na. Cireng oge paling ngeunah lamun dicocol jeung sambel atawa bungbu kacang. Tapi aya oge cireng bumbu rujak anu dicocolkeun ka bungbu kacang jeung kecap nu amis lada. Cireng paling ngeunah didahar pas keur haneut-haneutna lantaran upami tos tiis biasana janten liat jeung sesah digegel. Cireng isi anu paling ngeunah nyaeta cireng isi anu kulit luarna ipis tapi eusianna seeur. Karesep abdi nyaeta cireng isi keju jeung cireng isi hayam suwir lada. Aya oge cireng anu tos aya ti baheula nyaeta cireng isi bunbgbu pecel atawa kacang anu diulek jeung cengek.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8675", "text": "Hiji mangsa, di hiji kota nu remen katarajang lini, aya saurang lalaki nu ngaranna Budi. Budi teh jalma anu bener-bener merhatikeun kasalametan kulawargana sarta hayang mastikeun imahna aman lamun aya lini. Ku alatan eta, manehna mimitian nyiapkeun imahna sangkan bisa tahan gempa. Budi mutuskeun pikeun ngawangun imah anu kuat sareng tahan gempa nganggo bahan anu kualitas luhur. Sajaba ti eta, anjeunna oge masang kaca laminasi dina jandela imahna, sarta ngalereskeun struktur imahna sangkan teu gampang ambruk. Anjeunna oge masang konci panto sareng jandela anu kuat supados henteu gampang dibuka nalika aya gempa. Henteu ngan eta, Budi oge nyiapkeun alat-alat darurat sareng panyalindungan anu diperyogikeun nalika aya gempa. Anjeunna nyayogikeun alat-alat sapertos obat-obatan, tuangeun, inuman, batre cadang sareng alat pemadam seuneu. Anjeunna oge ngajak kulawargana pikeun latihan babarengan dina kaayaan darurat sapertos gempa bumi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2311", "text": "Saméméh milih ingon-ingon mana nu rék dipésér, aya alusna urang apal tiheula syarat-syarat pikeun sasatoan qurban anu kudu diperhatikeun saperti ieu di handap: Sato-sato kurban téh aya dina wangun ingon-ingon, nyaéta onta, sapi jeung embé, boh. domba atawa embé biasa.\r\nGeus nepi ka umur anu diwajibkeun syari’at dina bentuk jaza’ah (satengah taun) ti domba atawa tsaniyyah (penuh taun) ti nu lian.\r\nAts-Tsaniy onta nya eta anu geus sampurna umur 5-6 taun\r\nAtsTsaniy sapi téh nu geus sampurna umur 2 taun\r\nAts-Tsaniy embe nya eta anu geus sampurna umur 1-2 taun\r\nAl-Jadza'ah domba nyaeta anu umurna 6 bulan\r\nBébas tina aib (cacat) anu ngahalangan kaabsahanna, nyaéta naon anu geus dijelaskeun dina hadits Nabi shallallahu 'alaihi wa sallam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6771", "text": "Liburan anu paling seru anu kantos kuring cobian nyaeta liburan ka gunung. Kuring mutuskeun ulin ka gunung di tengah usum panas. Abdi sareng rerencangan ngamimitian perjalanan kalayan angkat ti bumi enjing-enjing. Urang liren di hiji desa di parapatan jalan pikeun nyewa mobil kanggo mawa urang ka gunung. Sanggeus sababaraha jam perjalanan, urang dugi di gunung. Urang ngarasa bagja pisan sabab bisa nempo pamandangan anu kacida endahna. Urang leumpang sabudeureun gunung tur ngarasakeun panorama alam anu geulis. Urang oge nganjang ka sababaraha tempat wisata di sakuriling gunung. Urang ngarasa bagja pisan sabab bisa ngarasakeun pamandangan alam nu endah jeung rupa-rupa kagiatan salami di gunung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "433", "text": "Pas Ibnu Abbas ngajak hiji sobat jang panggih jeung hiji awewe nu mangrupakeun ahli sawarga, manehna kulitna hideung, nu pernah panggih jeung Nabi SAW jeung menta doa jang panyawatna. Tapi Nabi nyieun pilihan jang awewe eta, nyaeta lamun manehna sabar, awewe eta bakal asup ka sawarga. Pas geus dicageurkeun, eta terbatas kana nyageurkeun. Jadi manehna diber nyaho lamun manehna resep sawarga, manehna menta ka Rasulullah SAW jang ngadoakeun meh oratna teu kabuka, jeung Rasulullah SAW ngadoakeunna. Tuluy awewe eta menta ka Rosulullah SAW kasabaran hirupna nepikeun ka Allah bakal mere sawarga. Kaputusan jang sabar dijieun ku kayakinan anu luhur. Pahal nu alus jang hiji jelema nu sangsara nyaeta sawarga.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4750", "text": "Ngalibetkeun pagawe dina nyieun kaputusan mangrupa salah sahiji tips pikeun nyegah bangkrut. Salaku nu boga usaha, anjeun teu kudu egois, coba campur jeung pagawe sarta ngadangukeun pikiran karyawan. Bisa jadi nalika anjeun ngabahas sareng karyawan, aranjeunna gaduh ide anu alus pikeun ngembangkeun bisnis sareng anjeunhenteu acan mikirkeunana.Saatos nyobian nampung input ti karyawan, anjeun tiasa konsultasi sareng profesional anu memang tiasa dianggo salaku panutan pikeun bisnis anjeun. Penting pikeun anjeun ningali masalah bisnis tina sababaraha sudut pandang. Ieu bisa mantuan Anjeun dina nyieun kaputusan. Konsultasi sareng para ahli tiasa ngabantosan anjeun nampi sudut pandang anyar ngeunaan usaha.Salian ti meunang ideu anyar, anjeun oge tiasa ningali kinerja sareng kontribusina pikeun perusahaan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4601", "text": "Kiwari sabenerna televisi atawa urang leuwih ngenaheun nyebutna tivi dipaké pikeun tujuan pangajaran jeung informasi anu di siarkeun ameh gampang diakses ngaliwatan siaran udara ka udara sarta anu bisa disambungkeunngaliwatan satelit. Anu disaksian dina layar televisi téh kabéhanana unsur gambar jeung sora. Jadi aya dua unsur anu ngalengkepanana, nyaéta unsur gambar jeung unsur sora. Rekaman sora jeung gambar dijieun di stasion televisi robah jadi pulsa listrik. Geter listrik ieu dibikeun ka pamancar, pamancar ngarobah geter listrik janten gelombang éléktromagnétik, gelombang éléktromagnétik ieu katangkep ku satelit. Ngaliwatan satelit, gelombang éléktromagnétik dipancarkeun sahingga jalma bisa lalajo siaran televisi anu biasa di tongton ku urang unggal poe.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1146", "text": "Wirausaha teu kudu nungguan modal gede, atawa nungguan urang geus dewasa. Nu paling penting mah nyaho pasar, ngameh nyaho naon nu bakal ku urang jual. Apakah wirausaha jasa atawa wirausaha produk. Jeung penting diajarkeun wirausaha ti leuleutik teh ngarah jadi kabiasaan nu alus jeung itung-itung bekel ka hareupna pas dewasa. Nu karasa ku urang mah ngeunah sih wirausaha teh, sabab euweuh batur nu nitah-nitah urang, lantaran urang jadi bosna sorangan. Waktu oge jadi milik urang, jadi mun daek nya jualan mun henteu nya teu kudu, tapi ari alusna mah konsisten. Sakapeung mah awal-awal pasti dibingungkeun ku \"rek jualan naonnya?\" tah ieu mindeng ka alaman oge ku urang, anu tungtungna mah jadi teu jadi muka wirausaha, saking loba nu dipikirkeunna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7109", "text": "Gereja Katedral Bandung atawa St. Petrus nyaeta gereja Katolik anu aya di Bandung, Jawa Barat. Lokasi Gareja Katedral Bandung aya di Jalan Merdeka No. 14 Kota Bandung. Gereja Katedral Bandung gampang dikenal lantaran ku hateupna anu luhur sareng gaya arsitektur neo-Gothic. Gereja Katedral Bandung dimimitian taun 1878 nalika Bandung masih jadi ibukota Karesidenan Priangan. Waktu harita Bandung tacan aya ibadah katolik, ku kituna didatangkeun saurang pandita ti Cirebon anu aya di Vikariat Apostolik Batavia. Teras dina taun 1884, Gereja kahiji di Bandung diwangun nu ukuranana ngan 8 x 21 meter pasagi anu dilengkepan ku hiji pastoran di Schoolweg anu ayeuna janten Jl. Merdeka.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8884", "text": "Dina ultah kuring anu ka-16, indung kuring ngagaleuh kuring kaméra salaku hadiah. Kaméra henteu ageung teuing ukuranana sareng warna pérak. Di sisina aya gantungan supados henteu gampang leupas nalika dianggo. Kaméra ogé dilengkepan ku kantong salaku tempat nyimpen saatos dianggo. Hasil gambar anu urang hayang tiasa diedit heula nganggo fitur éfék anu tos aya tina kaméra éta sorangan, teras upami mémori pinuh, urang tiasa mindahkeun gambar éta kana laptop. Ampir unggal poé kuring sok motret maké kaméra karesep kuring, bisana kuring moto taneman jeung kulawarga kuring. Nepi ka ayeuna kamerana masih keneh aya tur masih tiasa dianggo leres kumargi abdi sok ngurusna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7116", "text": "Lamun orok geus lahir, aya upacara anu biasana dilakukeun ku urang Sunda, nyaeta Miara Tembuni. Tembuni teu meunang dipiceun di mana wae, tapi kudu dilaksanakeun upacara nalika ngubur atawa miceun ka walungan. Ieu kusabab tembuni dianggap duduluran orok. Tembuni biasana dijagi, dibersihkeun teras dilebetkeun kana pendil anu dicampurkeun sareng bungbu uyah, asem jawa sareng gula beureum teras ditutupan ku lawon bodas. Paraji bakal mawa pendil ku lawon panjang sarta ditutupan ku payung tuluy dikurebkeun di pakarangan atawa dipiceun ka walungan nurutkeun adatna. Upacara ngubur tembuni dibarengan ku bacaan du’a pikeun kasalametan. Deukeut kuburan, lampu hurung nepi ka tali pusar orok misah tina beuteungna. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "923", "text": "Desktop replacement nyaeta salah sahiji tipe laptop nu didesain sacara khusus jang tujuan nga akomodir kamampuan hiji PC dina bentuk laptop. Khususna lamun ngabutuhkeun laptop jang pagawean nu beurat, misalna edit jeung render video, animasi, sarta pagawean beurat sejen nu merlukeun performa nu leuwih. Sanajan kitu, bentuk laptop tipe ieu leuwih gede jeung leuwih beurat lamun dibandingkeun jeung laptop dina umumna. Bodi nu beurat ieu ngamungkinkeun supaya laptop bisa tetep tiis sanajan digunakeun dina durasi anu lila. Salian ti eta, laptop ieu oge umumna dilengkepan ku ukuran layar nu leuwih ti 14 inci jeung ngamungkinkeun jang dipake ku laluasa jeung nyaman.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6122", "text": "Mun nuju beunang ku karugian teh, jalma mah kadang sok ngalaman sedih nu kabina-bina. Karugian teh datangna teu tangtu jeung teu bisa diprediksi. Dina ngahadapi kasus karugian, jalma sok katingali pisan kasedihna. Kadang mah seueur nu nepi ka depresi atawa stres, malah nu leuwih buruk na mah nepi ka bunuh diri. Aya oge nu nepi ka gangguan jiwa sabab jero teuing mikiran cobaan nana. Mun usaha na bangkrut teh sok kadang hulang huleng sorangan, sok jadi leuwih temperamen, sensitif, jeung sajabana. Tah, mun keur kieu teh kudu eling jeung loba tawakal supaya bisa dikiatkeun tinu sagala rupi cobaan nu datang.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5734", "text": "Dinten kamari abdi nonton permaenan sepak bola antara timnas Indonesia ngalawan Vietnam. Abdi nungkulan pisan ti mimiti dugi ka beres. Biasana mah sok babari bosen, ieu mah asa sumanget pisan nontonna sabab aya idola abdi. Sadaya pemaen timnas teh diidolakeun pisan ku abdi sabab dedikasina ka Indonesia. Meskipun hasil akhirna imbang, tapi abdi cukup atoh sabab loba peluang jang Indonesia nuetak gol. Abdi ngarasa bangga pisan ka timnas nu ayeuna sabab bisa ngabuktikeun yen anjeunna layak jeung nunjukeun boga kualitas nu hade. Sagala perjuangan na teh mulai manggih katerang saeutik-saeutik. Timnas nu ayeuna mah emang pantes diidolakeun pisan sabab kualitasna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2285", "text": "Pangalaman Lebaran Idul Fitri: Momen-momen Kumpul Keluarga dina Hari Raya Idul Fitri Idul Fitri mangrupa poé anu istimewa pikeun umat Islam sabab mangrupa poé kameunangan pikeun umat Islam anu geus nahan hawa nafsu salila bulan puasa Ramadhan.\nDina Idul Fitri, unggal kulawarga miboga tradisi sorangan, boh umat Islam di Indonésia boh di mancanagara.\nDi kulawarga kuring, nalika Idul Fitri datang, sadaya anggota kulawarga ngumpul pikeun ngalaksanakeun solat Idul Fitri babarengan.\nRéngsé ngado’a, urang ngararasakeun masakan anu diasongkeun dina méja. Biasana urang ngadahar opor ayam kumplit ku sangu sareng kentang kriuk. Ema geus nyiapkeun masakan keur Idul Fitri ti peuting nu geus di jieun ku indung sakulawarga.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3059", "text": "Di shopee, seueur pisan usaha jasa anu laris sareng sigana tiasa ditiru. Pasar shopee anu lega ngamungkinkeun sagala rupa jasa anu kami anggap teu aya gunana pikeun dijual. Sacara teknis, sadaya usaha sampingan mah tiasa dilakukeun sacara online, ti mimiti ngajual mobil di Bali. Nu tinggaleun mah aya komisi leutik keur bapa kuring nu mantuan ngajualna, mun aya nu rek panggih jeung mariksa barang, biasana mah sok diajak asup ka komplek perumahan, ari aya nu pesen via Toko Hijau mah ngan nyadiakeun. pilihan dimana kurir datang ka imah kuring. Ku kituna kuring ngan pek, nungguan kurir datang, nungguan barang datang jeung duit disbursed ku sorangan. Janten enya, sacara téknis ngadamel usaha mobil bekas tiasa dilakukeun sacara online. Salami anjeun teu kapikiran yén pakarangan atawa interior imah téh semi siga pangepul rongsok.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8882", "text": "Aya sababaraha cara pikeun ngabersihan kaméra supados awét. Kahiji urang kudu nyiapkeun parabot pikeun ngabersihan kaméra munggaran. Parabot ieu di antarana: Leungeun blower, lawon Microfiber, Lens meresihan pulpen atawa lénsa pulpén, sikat lemes, Lens meresihan cairan, soft cotton buds, jeung Tissue. Paké blower leungeun, urang tiasa nyingkirkeun kokotor sareng lebu dina permukaan lensa tanpa kedah misahkeunana heula. Pikeun kéngingkeun hasil anu maksimal, nyemprot cairan pembersih pikeun ngaleungitkeun lebu sareng kokotor. Lembut usap beungeut lénsa atawa kaméra maké lawon microfiber. Salajengna, bersihkeun sensor sareng LCD ogé kusabab sénsor anu kotor mangaruhan langsung kana poto anu dihasilkeun. Oge bersihkeun awak kamera sacara saksama sabab awak kamera pangseringna disentuh, bersihkeun make kaen microfiber sangkan teu aya kokotor.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4220", "text": "Senjata nyaeta pakakas anu dipake pikeun maéhan, nganyenyeri atawa ngancurkeun hiji hal. Senjata oge bisa dipake pikeun ngajaga tur pertahanan diri. Sedengkeun istilah tradisional asalna tina kecap “tradisi”.nuduhkeun kabiasaan jeung kabiasaan anu dumasar kana aturan atawa norma hal-hal anu tangtu anu diwariskeun ti generasi ka generasi bieu robah bentukna nepi ka ayeuna. Senjata tradisional sorangan bisa dihartikeun salaku produk budaya anu raket patalina jeung masarakat. Indonesia teh nagara anu beunghar pisan ku tradisi budayana. budaya unik, geulis tur euweuh kadua di dunya. Hiji anu ngabeungharan budaya Indonesia mangrupa senjata tradisional. Senjata Tradisional mangrupa salah sahiji warisan budaya Indonesia anu dipake ku suku-suku daerah di jaman baheula salaku panyalindungan diri tina serangan musuh, tani atawa ngebon, malah moro sababaraha pakarang tradisional nu dipercaya ngandung nilai mistis, contona kawas keris anu asalna ti wewengkon Jawa. Jeung ayeuna, pakarang tradisional jadi jati diri jeung ciri masarakat satempat. Senjata tradisional boga rupa-rupa wangun jeung motif anu beda-beda, ampir di unggal propinsi di Indonesia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8904", "text": "Sapédah listrik nyaéta kandaraan roda dua anu dilengkepan pedal anu sumber énergina nyaéta listrik. Sapédah listrik henteu tiasa dianggo dina jalur pejalan kaki, tapi tiasa dianggo dina jalur anu dibagikeun salami aranjeunna ngarambat di handap 25 kilométer per jam. Sapédah listrik ogé tiasa dianggo di jalan raya. Kontrol motor dina sapédah listrik tiasa nganggo rotasi cengkraman, sapertos motor, atanapi nganggo sénsor dina panangan. Kelas sapédah listrik anu paling ekonomis biasana ngagunakeun motor bantu listrik anu dikontrol ku rotasi cengkraman. Modél sapertos kieu kawilang langkung mirah kusabab padamelan motor listrik henteu aya hubunganana sareng rotasi pedal. Beuki variatif sabab mun batréna béak, urang bisa ngayuh sapedah kawas sapedah pada umumna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8068", "text": "Baheula, aya budak lalaki ngaranna Dito, digedekeun di sisi basisir. Saban ningali ombak gede ngagelebug, hatena sok deg-degan. Nalika anjeunna yuswa dalapan taun, bapana nyandak anjeunna surfing pikeun kahiji kalina. Ti dieu, Dito kapanggih minat jeung karepna kana selancar. Anjeunna mikanyaah sensasi ombak badag, sailing laut kabuka, sarta ningali kaendahan alam sabudeureun anjeunna. Lila-lila, Dito beuki loba latihan jeung ningkatkeun kaahlian selancarna. Anjeunna oge milu dina sababaraha kontes selancar sareng meunang sababaraha di antarana. Sanajan mimitina loba anu nganggap remeh kana olahraga selancar, Dito teu kungsi ngarasa geus leungit karep jeung tekadna. Anjeunna terus latihan kaahlian na, sanajan anjeunna ngalaman sababaraha tatu tina ragrag kaluar papan selancar na.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6639", "text": "Jaman ayeuna tos seeur pisan inovasi sambel. Seeur sambel anu tos dicampur jeung lauk atawa daging. Aya oge anu paling kasohor nyaeta sambel cumi adin. Sambel cumi asin paling ngeunah didahar jeung sangu haneut jeung kurupuk. Nyieun sambel cumi hese hese gampang. Kahiji siapkeun heula cumi asin na anu tos dikeeum cai panas, cumi tiasa dipotong-potong atanapi teu dipotong oge wios. Teras urang siapkeun bungbuna nyaeta cabe bereum, bawang bodas, bawang bereum, jeung cengek anu dihaluskeun, tiasa diulek atanapi diblender. Upami tos siap urang goreng heula cumi asin na sakedap teras dijait. Di minyak urut cumi lebetkeun salam jeung sereh teras sambel anu tadi. Lebetkeun oge bungbu uyah jeung gula teras lebetkeun cumina, pasak nepikeun sambelna asak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4255", "text": "Tari Yapong mangrupa salah sahiji tarian anu gumbira. Sanajan ngaranna ampir sarua jeung tari Jaipong, duanana béda. Lamun tari Jaipong mangrupa tari sosial, tari Yapong biasana mintonkeun atmosfir gumbira. Dicutat rujukan séjén dina buku Ning karya Niken & Anjar, tari Yapong diciptakeun ku Bagong Kussudiardja, seniman anu ngajadikeun tarian ieu tari tradisional pikeun pagelaran. Tapi lila-lila, tari ieu jadi tarian pikeun ngeusian acara lantaran tarian ieu pinuh ku variasi. Pikeun nyieun tari Yapong ieu, Bagong Kussudiardja ngayakeun panalungtikan salila kurang leuwih tilu bulan. Anjeunna maca buku sajarah Pangeran Jayakarta, teras ngulik poto sareng film, sareng niténan kabiasaan masarakat Betawi. Anjeunna ogé ngahubungi humanis sareng seniman anu aktip ngajajah kasenian rahayat di Jakarta sareng sabudeureunana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4266", "text": "Aya daerah di indonesia nyaeta di Aceh anu masih kuat nerapkeun hukum adat. Tokoh tokoh adat di aceh tetep kuat nyekel jeung mertahankeun hukum adat d aceh tina tanggal 19 Desember 2000 nepi ka ayeuna, ieu di gunakeun kalawan alesan pikeun nyegah papisahna aceh ti Republik Indonésia dimana gejolak gerakan aceh merdeka geus nepi ka puncakna. Hukum adat di aceh nyaeta hukum adat anu nuduhkeun kana katangtuan al-qur’an jeung hadits. Tapi ku diberlakukanna hukum syariat Islam di Aceh, loba reaksi ti masarakat. Pro jeung kontra ngeunaan masalah ieu terus diungkabkeun ku warga masarakat anu nganggap yen aksi ieu kaasup diskriminasi sosial ka masarakat non-Muslim di Aceh. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9452", "text": "Kemping mangrupikeun kagiatan anu seru. Seueur tempat wisata alam gaduh lahan khusus pikeun kemping. Nanging, aya sababaraha hal anu kedah disiapkeun upami urang hoyong kemping di tempat wisata alam. Mimiti anjeun kedah nyiapkeun alat sareng kaperluan salila kemping. Ieu kalebet tenda, sleeping bag, sareng bahan-bahan pasakan. Upami teu gaduh alat ieu, uran tiasa nyewa atanapi ngagaleuh di toko outdoor. Teras, pastikeun urang mawa cukup dahareun jeung cai pikeun kaperluan kémping. Sanggeus nyiapkeun parabot jeung kaperluan anu disiapkeun, lengkah saterusna nyaeta nangtukeun tempat kempingna. Anjeun tiasa milih tempat anu caket sareng sumber cai atanapi tempat anu bisa ngalindungan urang tina angin. Tong hilap nengetan aturan sareng peraturan anu berlaku di tempat wisata alam anu dipilih. Sadugina ka tempat kemping, lengkah salajengna nyaeta masang tenda. Upami urang teu acan kantos masang tenda sateuacanna, pastikeun urang nyuhunkeun bantosan ka petugas anu aya di dinya atanapi nonton pidio tutorial ngeunaan cara masang tenda anu leres. Ulah hilap oge masang tenda urang dina tempat anu datar sareng ditangtayungan tina hujan. Janten, upami urang bade kemping di tempat wisata alam, pastikeun nyiapkeun alat-alat sareng suplai anu diperyogikeun, tangtoskeun tempat kémping anu leres, sareng pasang tenda kalayan cara nu leres.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7207", "text": "Kerak telor, kadaharan tradisional anu asalna ti Jakarta, Indonesia. Kadaharan ieu didamel tina endog, sangu, kalapa anu di sangrai sareng rempah-rempah sapertos bawang bodas, bawang beureum, cikur, jahe, sareng cabe. Endog sareng sangu dicampur sareng dipanggang dina areng. Sanggeus asak, kulit endog bakal disuguhkeun ku taburan bawang goreng sareng ditambah saos cabe. Kadaharan ieu biasana didahar sareng sangu sareng daging atanapi lauk. Kerak telor oge salah sahiji masakan nu pang populerna di Jakarta, sarta mineng disajikeun dina kawinan jeung pesta. Kerak telor seeur diical make gendongan. Kerak telor tiasa dijadikeun kadaharan utama atawa kadaharan panutup. Kerak telor tetep ngeunah didahar pas panas keneg atawa tos tiis.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4988", "text": "Saur abdi mah masak gogorengan atawa tumisan teh babari keneh dina katel dari pada dina teflon. Dina katel mah babari ngadukna da laluasa teu sieun bahe. Amun na teflon mah sok hareurin nya deet deuih cekungan na jadi sok awur-awuran kamana-mana. Masak na katel mah tereh asak deuih sabab bahan na nu babari panas. Terus mun teflon mah susuk na kudu nu kai atawa palastik. Ah katel mah susuk naon wae ge bisa, sabab moal ngaruh nyieun tapak goresan. Jeung deuih katel mah asa bisa jang ngagoreng sagala ge, lauk asin, tumisan, daging, jeung sajabana. Mun na teflon ngagoreng asin mah duh asa ku lebar jeung teu pantes ningalina. Mantak sakumaha seueur teflon ge angger we abdi masak sapopoe mah ngangge katel we lah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7363", "text": "Naek turun tangga mangrupakeun salah sahiji praktek aktivitas fisik sapopoe anu boga rupa-rupa mangpaat kasehatan. Naek turun tangga salila lima belas menit bisa ngaduruk sahenteuna genep puluh lima kalori. Urang tiasa ngalakukeun kagiatan ieu dimana wae, kalebet di bumi atanapi di tempat gawe. Salaku tambahan, urang oge tiasa nambihan sababaraha rupa kagiatan, contona ningkatkeun kagancangan nalika naek sareng turun tangga atanapi mawa beurat tiasa ngabantosan ngaduruk langkung seueur kalori. Nalika olahraga naek sareng turun tangga, urang tiasa ngalakukeun na sabari nyepengan atanapi henteu. Eta sadayana gumantung kana kasaimbangan awak urang sabab bisa wae urang hoyong ngagerakkeun suku urang langkung gancang sareng masih peryogi kasaimbangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6473", "text": "Bagi sabagean pasangan, nunda gaduh anak teh jadi salah sahiji pilihan anu disepakati ku duaan. Alasanna rupa-rupa, aya nu sabab boga kasibukan masing-masing nu teu bisa ditinggalkeun, sabab teu siap sacara finansial, teu siap sacara mental, jeung sajabana. Malahan mah aya nu komitmen kitu teh sabab nempo kasiapan pasangan anu butuh keneh waktu dina prosesna. Mantak, teu saeutik pasangan nu tos nikah nunda gaduh anak, ngesampingkeun sagala rupa tuntutan sosial di lingkunganna. Hal ieu teh teu jadi hal negatif, malahan mah jadi hal positif nu dipandang perlu sabab merhatikeun kasiapan pasangan nu bersangkutan. Emang hal ieu masih jadi hal tabu di mata masyarakat umum.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8809", "text": "Waktu Didi keur jalan-jalan jeung indungna di mall, teu kahaja manéhna nempo pamaén bal karesepna di dinya. Kusabab Didi éra, manéhna ukur bisa lalajo ti kajauhan. Didi saleresna hoyong pisan menta tanda tanganna, eta sababna manehna wani-wani ngadeukeutan manehna jeung menta tanda tanganna. Tapi masalah saterasna, manehna teu mawa pulpen jeung kertas, tapi kabeneran si idola teh mawa pulpen, terus masang tanda tangan na kana baju Didi. Didi bungah pisan pendak sareng pamaén sepak bola karesepna, sareng tiasa nampi tandatanganna sanaos anjeunna nyerat dina kaos Didi. Sanggeus ieu, Didi moal nyeuseuh eta baju sarta bakal ngagantung di kamar salaku pajangan ameh anjeunna tiasa ningali eta tanda tangan unggal poe.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1907", "text": "Milih panci jeung kagiatan masak mangrupa kagiatan anu raket patalina jeung kabutuhan sapopoé, nyaéta dahar. Sarerea pasti geus ngagunakeun parabot dapur pikeun masak, sahenteuna paragi cai ngagolak atawa mie instan teh asak. Tangtu, genah masak ditangtukeun ku parabot masak jeung suplai sadia.Pasti rék masak maké loyang kualitas luhur. Panci anu saé tiasa ditingali tina bahan anu ngadamel loyang. Panci biasana dijieun tina logam sabab bahan ieu bisa ngalirkeun panas ogé alatan sipatna salaku konduktor. Bahan anu biasa dianggo pikeun nyieun panci nyaéta alumunium, beusi, waja sareng ayeuna aya ogé panci anu didamel tina bahan baja karbon. Panci sorangan mangrupikeun salah sahiji jinis alat masak anu didamel tina logam.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5813", "text": "Mun aya babaturan atawa kulawarga nu nuju ngiringan pertandingan olahraga, yuk urang sabisa mungkin nonton! Sabab, dukungan teh berharga jeung berpengaruh pisan bagi mental jeung psikologis atlet. Biasana mun aya babaturan nu deukeut nonton pertandingan teh sok langsung nambah sumanget jeung naekkeun percaya diri jadi nunjukkeun nu terbaik. Komo mun nonton na bari mawa apresiasi jeung ngucapkeun selamat mah, pasti ngarasa bangga pisan ka kamampuanna dina nguasai arena pertandingan. Jadi, mun aya babaturan atawa kulawarga nu tanfing olahraga, yuk semangatan! Urang ramekeun pertandinganna ku cara ngadukung ti sisi arena! Berekeun dukungan psikologis supaya bisa ningkatkeun rasa percaya dirk kana kamampuanna!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "477", "text": "Amalan nu paling disarankeun jang umat muslim nyaeta sodakoh. Ari waktuna mah bisa iraha wae, tapi sodakoh Subuh mibogaan kautamaan sorangan nu bakal ngadatangkeun barokah jang jelema nu ngamalkeunna. Tapi aya cara-cara sodakoh nu dianjurkeun ku Rosululloh. Nu kahiji kudu ngaheulakeun dulur-dulur urang nu ngabutuhkeun. Hal ieu lantaran mere sodakoh oge bisa jadi salah sahiji cara jang mertahankeun atawa ngaraketkeun hubungan kulawarga. Nu kadua nyalurkeun sodakoh ka dulur nu keur musuhan. Hal ieu ku sabab sodakoh bisa jadi cara nu alus jang ngalawan hate nu angkuh. Nu terakhir, Rosululloh nyarankeun ngameh harta nu diberekeun teh dimeunangkeun sacara halal atawa mangrupakeun barang nu sae.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4631", "text": "AC (Air Conditioner) nyaéta mesin anu dijieun pikeun nyaimbangkeun suhu jeung kalembaban hawa di hiji rohangan. Alat ieu dianggo pikeun niiskeun atanapi panas, gumantung kana kabutuhan. Sanajan kitu, AC mindeng disebut AC sabab leuwih dipaké pikeun niiskeun kamar. Sanajan AC mangrupa produk téknologi modern, konsép AC geus dipikawanoh saprak Abad Pertengahan, nyaéta dina jaman Romawi Kuna jeung Persia. Willis Haviland Carrier jadi jalma kahiji anu nimukeun AC modéren skala badag anu ngagunakeun énérgi listrik dina taun 1902. Sakumaha ngaranna, AC, AC miboga fungsi pikeun nyegerkeun hawa di hiji rohangan sangkan karasa tiis, nyaman. jeung cageur. Aya tilu hal anu bisa dikondisikeun atawa diatur ku ngagunakeun AC, nyaéta suhu, kalembaban, jeung kabersihan udara.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4224", "text": "Duhung ieu mangrupa salah sahiji pakarang pangkolotna dayak ngaju ot danum. Senjata ieu mangrupa pakarang ritual malah geus aya samemeh jaman mandau, dimana dina sababaraha carita disebutkeun yen pakarang ieu dipake ku inohong dayak ngaju ot danum, saperti carita sahawong ngalawan raja iblis anu loba dahar manusa. Duhung, anu mangrupa pakarang masarakat dayak ngaju, katelah pakarang anu dipake pikeun serangan jarak dekat. Leutik ukuranana, teu saperti pedang, pakarang ieu mangrupa pakarang tusuk basajan tur stabbing jeung bilah simetris. Kusabab eta aranjeunna sering mawa eta dina kagiatan moro pikeun ngajaga diri tina serangan sato liar dina jarak anu dekeut.Salian ti dipaké pertahanan diri ti musuh, ieu pakarang dayak anu nyarupaan keris dipake ku masarakat pikeun moro jeung tani. Tapi kiwari ngan bisa dipiboga ku pisur atawa kapala adat masarakat dayak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4261", "text": "Salah sahiji fungsi ayana lembaga adat atawa tokoh adat nyaeta ngajaga wibawa jeung harga diri daerah na. Teu meunang aya sasaha oge anu ngalakukeun aktivitas atawa ngabahas sesuatu anu ngagogoreng daerah na, kukituna sarua urang salaku warga adat na oge ulah sakali kali oge ngagogoreng batur atawa daerah batur kusabab ieu sarua jeung ngogogoreng daerah atawa wilayah urang sorangan. Sabenerna aya sababaraha peran atawa fungsi tokoh adat di indonesia, salah sahijina deui nyaeta sabage penyambung aspirasi warga masarakat di daerah na ka pamingpin anu di luhur saperti ka kapolri lamu eta kaitanna dina kaamanan tindakan kriminal atawa ka mentreri jeung presiden lamun dina cakupan anu leuwih gedena.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7056", "text": "Lamun urang ningal aya batur anu meunang kasusah, kita kedah mikir anu sae. Mugia ieu musibah teh janten cara supados manehna janten jalmi anu leuwih sae ka hareupna, jeung tiasa ngajadikeun manehna ningkat derajatna di hareupeun Alloh. Lamun urang ningal rerencangan urang meunang kabungah, urang kedah mikir anu sae. Manehna emang pentes meunang nikmat eta lantaran Alloh nyaaah ka manehna. Sabalikna, lamun urang anu meunang kasusah urang kedah nganggep yen urang mah loba keneh ngalakukeun dosa, matak pantes meunang ujian ku lantaran supados tiasa ngapus dosa-dosa kuring. Lamun urang nu meunang nikmat, urang kedah nganggap yen urang te teu pantes meunang nikmat ieu lamun sanes ku lantaran ti Alloh.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8015", "text": "Seafood nu mirah meriah salah sahijina nyaeta lauk tongkol. Lauk tongkol teh teu disangka-sangka ka asup kulawargi lauk tuna oge, nganging upami ditingali tipangaosna benten pisan antara lauk tongkol sareng lauk tuna. Teu siga lauk nu biasana diical di pasar, lauk tongkol mah teu gaduh sisik janten gampil upami bade ngabersihan teh. Awakna warna biru poek metalik, panjangna kira-kira nu ageung saukuran 50 nika 60 cm, tur panonna gede belo. Lauk ieu teh gaduh tulang nu lumayan ageung janten kudu ati-ati upami ngadahar lauk ieu. Lauk tongkol biasa diical kiloan di pasar dibungkusan make koran atawa daun cau ngarah teu digembrong ku laleur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4730", "text": "Pagawe kantoran nyaeta jelema anu ngalakukeun pagawean kantor anu patali jeung eta tempat disebut kantor. Ari kantor nya eyaa unit organisasi anu diwangun ku enggon, tanaga staf, jeung operasi administrasi, pikeun mantuanpamingpin dina mamingpin sangkan jadi leuwih maju. Pagawe kantor ayeuna ngabogaan peran anu penting sareng salaku bagian anu penting dina kagiatan perusahaan modern. Gawe kantor nyaeta grup gawe anu sarua pentingna jeung widang lianna kayaning industri, tatanen, silaturahmi jeung angkutan. Dina ngalaksanakeun pagawean kantor, kagiatan administrasi merlukeun kagumantungan sistem antara jalma, tehnologi jeung prosedur pikeun nanganan data jeung informasi mimitian ti narima, ngumpulkeun, ngolah, nyimpen nepi ngadistribusikaeun atawa ngadistribusikaeun informasi anu tungtungna data eta anu bakal di pake paranti nyokot kaputusan keur kamajuan kantor atawa parusahaan atawa organisasina. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5351", "text": "Tilu tips supaya dibabarikeun dina ngeusian soal-soal ujian sakola. Nu kahiji nyaeta diajar sing rajin jeung ngapalkeun materi-materi nu tos dipelajari salila sakola. Nu kadua nyaeta sholat tahajud di sepertiga peuting supaya dilancarkeun dina sagala hal, terutama dina hal ngeusian soal. Sabab, sagala doa nu di panjatkeun ka Gusti Allah SWT mah moal balik ku tangan kosong, pasti sagalana dikabulkeun, ngan tinggal nugguan waktu nu tepatna. Nu katilu nyaeta laksanakeun sholat dhuha samemeh asup ka ruang ujian. Biasana kan ujian mah sok rada siang tibatan sakola biasa, ku kituna sempetkeun urang laksanakeun sholat dhuha supaya dibabarikeun ngeusian soalna,jeung kenging nilai nu sesuai jeung harapan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3915", "text": "Poe ieu urang di ngahaja hudang isuk - isuk pisan, niat na poe isuk ieu urang rek milu ka tukang sayur dekeut imah jeuung mamah. Lamun ka tukang sayur kudu pisan datang na paisuk - isuk lantara mun beurang saeutik weh ges moal kabagean nanaon, paling kari sayurjeung buah panyesaan nu ges teu seger deui. Nepi di tukang sayur isuk keneh jadi loba keneh piliheun sayur jeung buah nu saleger. Mamah mutuskeun meuli kangkung rek masak tumsi kangkung. Pas keur milihan urang ningali tomat meuni seger garege kieu arasak warna na bereum. AKhirna urang meuli tomat sangkan ngke rek nyieun jus tomat di imah", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6093", "text": "Di sela-sela kuliah, abdi nyobian ngadirikeun usaha leuleutikan, nyarta usaha bidang kuliner. Abdi ngadamelan stup roti nu diical ka mahasiswa-mahasiswa di kampus abdi. Biasana mah saberes kuliah teh teras balanja bahanna. Terus langsung we ngaproduksi stup roti di kostan. Barang beres produksi, abdi nembe ngerjakeun tugas kuliah. Icalanna teh sok ditawarkeun ka rerencangan, oge dipajang unggal poe Minggu di Pasar Unpad. Hal ieu dilakukeun sabab abdi peryogi biaya kangge nambihan uang kuliah. Salian eta oge, abdi emang resep wirausaha ti nuju SMP keneh. Mimitina mah emang saalit beubeunangan nana, kaditu na mah alhamdulillah janten usaha nu matuh jeung tos gaduh seueur langganan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4999", "text": "Buah pir nyaeta salah sahiji bungbuahan nu boga khasiat seueur jang kasehatan. Vitamin C dina buah pir bisa kangge ningkatkeun stamina jeung daya tahan tubuh dina awak urang. Kandungan flavonoid, vitamin K, jeung tambaga bisa ngalawan peradangan jeung bisa nyieun awa leuwih seger jeung sehat. Kandungan serat dina buah pir bisa ngalancarkeun pencernaan jeung bisa ngastabilkeun berat badan urang. Buah pir oge ngandung zat nu ngabentuk kolagen nu ngajadikeun kulit leuwih sehat jeung terawat. Rasa buah pir nu tiis tur seger semu amis oge mantak ngeunah pisan di daharna teh. Buah pir oge dijual dimana-mana jadi babari mun bade meserna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7076", "text": "Eusi Kitab Injil dipercaya jadi pituduh hirup penting pikeun urang Kristen. Lamun ningal tina basa, kecap Injil asalna tina kecap Yunani ευαγγέλιον, euangelion, nu hartina warta alus. Kitab injil ieu mangrupikeun istilah anu dianggo pikeun ngarujuk kana opat buku mimiti Perjanjian Anyar dumasar kana kapercayaan Kristen. Opat kitab, nyaeta Injil Mateus, Injil Markus, Injil Lukas, sareng Injil Yohanes, disebut Warta Gembira, sabab urang Kristen percaya yen carita tina opat Injil anu puncakna dina pupusna sareng kebangkitan Yesus. Eta mangrupakeun carita-carita kasalametan Allah ka manusa nu boga dosa, sangkan manusa bisa mulang deui ka Allah nu sabenerna sarta bisa asup ka sawarga.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "907", "text": "Cara maen game Point Blank babari, nu penting mah boga heula akunna jang login ka Point Blank jeung ngadownload gamena di website resmi Zepetto. Mun geus kitu tinggal pilih server, aya sababaraha server gumantung kana level atawa disebutna teh pangkat pamaen. Aya server beginner, publik, expert, jeung training. Mun nu karek maen mah disarankeun maenna di server beginner atawa training. Mun geus asup serverna, engke aya sababaraha mode tinggal millih, naha rek milih nu all weapon, atawa mode khusus siga shotgun, AWP, jeung nu sejenna. Mun geus milih mode senjatana, tinggal milih mode maenna, aya mode deatchmatch, jeung mode bomb mission. Mun deathmatch mah paloba-loba maehan musuh, mun bomb mission mah boga misi naha pasang bom, atawa nga defuse bom.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3539", "text": "Carita sakedik salaku bubuka patarosan ieu, nalika kuring mendakan jodoh kuring… Sapertos, anjeunna mangrupikeun jalma anu dipilih ku Gusti janten jodoh kuring. Sumuhun, sarta tétéla yén sagalana ngan ngalir enteng, kawas alam brings kami ngadeukeutan sarta milik unggal lianna.\r\n\r\nSacara fisik, teu munafik lamun urang milih pasangan anu sakurang-kurangna tampan. Teu kudu geulis/ganteng, tapi sakurang-kurangna manehna boga hiji hal anu ngajadikeun urang katarik. Sabab ceuk paribasa, tina panon anyar turun kana haté.\r\n\r\nBisa jadi aya kriteria, tapi urang moal bisa maksa Alloh lamun kriteria urang pangalusna. Percaya pilihan-Na jauh leuwih geulis. Baheula kuring hayang boga pasangan anu jangkung badag, teu kurus tapi teu gendut oge. Taya kumis jeung bulu rapih. Eh, tétéla kuring meunang sabalikna ti kahayang kuring (fisik).", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4166", "text": "Upacara poean Tumpek Landep nyaéta perayaan anu diayakeun umat Hindu di Bali pikeun nyuhunkeun kasalametan Gusti dina wujud-Na salaku Sang Hyang Pasupati. Salian ti éta, hajatan ogé mangrupa rasa sukur kana karunia tina sagala kacerdasan jeung kaparigelan pikiran, sangkan bisa nyiptakeun hiji hal dina wangun barang-barang anu ngabantu kahirupan masarakat sapopoé, saperti motor, mobil, komputer, mesin, pacul. , péso, jeung sajabana. Kacerdasan jeung seukeutna akal pikiran dilambangkeun ku keris anu panonna seukeut tur mancung. Pusaka keris ieu kacida pentingna jeung ngandung harti. Ku alatan éta, upacara keris dilaksanakeun nalika Tumpek Landep lumangsung. Tumpek Landep biasanya diadakan setiap 6 bulan sekali pada saat Saniscara Kliwon wuku Landep. Dina prak-prakanana, barang-barang anu diciptakeun ku manusa anu mantuan dina kagiatan sapopoé bakal dipuja minangka wujud rasa sukur ka Gusti dina wujudna salaku Sang Hyang Pasupati.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2801", "text": "Kumaha carana milih Blénder\r\nSalajengna, kami bakal ngajelaskeun poin penting anu kedah diperhatoskeun nalika milih Blénder anu cocog sareng kabutuhan anjeun. Hayu urang tingali katerangan!\r\n1. Pilih dumasar jenis\r\nDi pasar, anjeun bakal mendakan blender tina sababaraha jinis. Unggal jenis boga fungsi béda. Nyaho heula bédana, teras saluyukeun kana kabutuhan anjeun. Sedengkeun pikeun pamakéanana, Blénder leungeun bisa dipaké pikeun nyieun bubur, krim kocok, puree, atawa ngaduk endog. Upami anjeun kabetot milarian rekomendasi Blénder tangan, kami parantos marios aranjeunna dina tulisan di handap ieu. Hayu, pariksa artikel.\r\n2. Nengetan bahan jar dipaké\r\nKendi atawa bahan kendi anu digunakeun nangtukeun kakuatan Blénder. Salian ti plastik atawa kaca, ayeuna aya bahan anyar anu disebut tritan. Kendi kaca rélatif leuwih awét sarta higienis sabab teu ninggalkeun bau pikaresepeun. Sajaba ti éta, bahan ieu ogé mibanda daya tahan panas tinggi sahingga bisa halus bahan kadaharan panas. Sanajan kitu, blenders jug kaca umumna beurat. Kituna, Anjeun kudu mertimbangkeun fungsi ditawarkeun jeung beurat sakabéh Blénder nu", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8291", "text": "Sakumaha ngaranna nunjukkeun, bisnis online nyaeta bisnis anu dijalankeun ngaliwatan internet. Ieu ngandung harti yen kagiatan bisnis sapertos jual beli, palayanan palanggan, pamasaran, sareng sajabana dilaksanakeun sacara online. Narikna, anjeun tiasa ngajual rupa-rupa jinis produk ngalangkungan ideu bisnis online. Mulai ti barang, jasa, nepi ka produk digital. Nyatana, teu aya watesna dimana konsumen pikeun produk ieu asalna. Hal ieu sabab pembeli produk bisa datang ti sakuliah Indonesia, malah ti luar nagari. Ku alatan eta, kalayan bisnis online anjeun henteu kedah muka toko atanapi toko sapertos dina bisnis offline. Sadaya anu anjeun kedah laksanakeun nyaeta ngajalankeun usaha ku nyiptakeun situs web toko online, media sosial, atanapi pasar.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1178", "text": "Pa keur jualan pulsa urang lumayan meunangkeun karugian, sabab loba jelema anu ngahutang. Salahna teh ti mimitina ku urang tara dituliskeun saha wae nu ngahutang, padahal jelema mah sok poho. Boh eta urangna nu poho nu ngahutangkeun, oge nu hutang nu sok poho. Jadi ayeuna mah sok dituliskeun saha-saha wae anu hutang teh, ngarah teu rugi tuluy. Mun aya nu rek ngahutang ge ku urang sok ditanya, \"Iraha rek mayarna?\" Ieu ngarah urang apal iraha waktu mayarna. Mun geus kitu tinggal nungguan waktu nu dijangjikeun, mun euweuh mayar wae biasana ku urang sok langsung ditagih, bisi manehna poho tea. Geus ditagih mah biasana sok langsung mayar.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2013", "text": "Survei JakPat ngungkabkeun runtuyan kagiatan anu geus jadi adat masarakat Indonésia pikeun ngeusian waktu luang. Hasilna, saloba 70% réspondén atawa mayoritas urang Indonésia paling resep lalajo pilem. Ngadangukeun musik ogé kagiatan masarakat anu paling dipikaresep. Kacatet, saloba 68% responden ngadangukeun musik. Saterusna, aya 51% réspondén anu resep lalajo sérial/drama pikeun hiburan dina waktu luang. Sedengkeun pikeun nu lalajo serial/drama, 90% geus lalajo serial/drama ti Korea jeung 82% ngaku resep atawa rutin lalajo drama Korea dina 6 sasih katukang. Teras aya 40% réspondén anu resep maca warta online dina waktos senggang. Aya ogé anu ngalakukeun hobi sanés sareng maca buku/komik online dina waktos senggang. kumargi kitu industri cocok jang ngesian waktu luang nyaeta media.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7427", "text": "Hape Samsung ZFlip teu ngan gaduh kaunggulan saukur tiasa ditilep hungkul, tapi oge anu janten pikaresepeun nyaeta di bagian tukangna aya layar leutik anu tiasa ningalikeun jam jeung tiasa dihias nganggo poto sakumaha kahayang urang. Janten upami hapena nuju ditilep, tetep bakal aya layar leutik dihareupna. Disain jeung warna hape ieu oge lalucu. Batrena oge tos gaduh fitur Fast Charging, nyaeta fitur anu nuju seeur diterapkeun ka loba hape di jaman ayeuna, dina waktos tilu puluh menit urang tos tiasa ngecas hape nepikeun lima puluh persen. Lamun soal kakuatan atau durability mah Samsung teu kedah diragukeun deui. Hape ieu tahan lamun dialungkeun jeung tahan gores jeung tahan lamun diasupkeun kana cai. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2699", "text": "Salah sahiji hal anu kuring henteu kuciwa nalika kuring kuliah nyaéta diajar sareng nyobian olahraga anu paling ekstrim dina kahirupan kuring, nyaéta panjat tebing. Nyaan milih panjat tebing mangrupikeun kaputusan anu paling pikasieuneun anu kuring kantos dilakukeun saatos mutuskeun janten bagian tina organisasi pencinta alam.\r\nDina 2016, kuring mutuskeun pikeun neraskeun nguatkeun atikan ku fokus kana diajar panjat tebing. Butuh waktu kuring ngeunaan 3 bulan pikeun neuleuman ngeunaan seluk beluk olahraga ieu. Ampir unggal poé kuring diajar jeung latihan, ti teori, latihan climbing on tembok, bouldering nepi ka latihan fisik. Kuring ngalakukeun sagalana kalawan senang sanajan kuring capé pisan. Sakainget 2 minggu sakali abdi sareng rerencangan angkat ka hiji daerah di Karanganyar kanggo panjat tebing.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "583", "text": "Juru kunci nyaeta salah sahiji jenis tokoh adat. Juru kunci nyaeta jelema nu dibere atawa boga tugas jang ngajaga tempat-tempat nu dianggap keramat. Maranehna diangkat ku pamarentah daerah, contona juru kunci atawa kuncen nu aya di Bandung jeung kokolot ti desa nu sejenna. Maranehna dibere tugas jang ngajaga kawasan ti isuk nepikeun ka sore atawa cicing didinya. Biasana juru kunci atawa kuncen gawe di kuburan atawa tempat keramat, maranehna bakal ngaberesihkeun tempat eta jeung ngarahkeun pengunjung. Juru kunci atawa kunceng bakal mere nyaho naon nu bae dilakukeun jeung naon nu ulah dilakukeun. Maranehna ngajagaan tempat eta ngameh teu ruksak atawa kajadian hal-hal nu teu dipikahayang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3849", "text": "Boba nyaeta salah sahiji kuliner nu keur rame akhir-akhir ieu, kabeh kuliner make boba keur topping na. Ti mulai milk tea, thai tea, croffle, ice cream, pancake, kabeh make boba. Boba laku pisan di pasaran, bisa manggih dimana wae mulai di gigireun jalan, nepika cafe jeung restoran. Salah sahiji menu di KFC Cafe nyaeta aya Mocca Float Boba. Ceuk urang mah rasana ngeunah, tapi teu istimewa teuing biasa wae soalna geus sering meuli jeung ngasaan. Jadi minuman nu make boba atawa heunteu eweh bedana, da boba mah eweh rasaan ngan jadi topping biasa. Harga lima belas rebu jang minuman mocca float boba rada kurang mending, mun daek ge toppingna tong boba doang tapi di bere es krim saeutik. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "939", "text": "Geus sababaraha poe ayeuna mah teu bisa deui ngagunakeun TV anlaog, tapi kudu ganti kana TV digital. Sabenerna mah emang perlu diterapkeun peraturan kieu teh soalna urang geus nyobaan TV digital kumaha rasana jeung tampilanna, tangtuna leuwih nyaman. Gambar nu ditampilkeunna oge jelas pisan, henteu deui kawas TV analog nu sakapeung sok siga digembrong sireum tampilanana teh. Tuluy sora nu kadengena oge ngeunah didengena jeung jelas, jadi teu kudu deukeut-deukeut teuing jeung TV na. TV digital oge geus aya fasilitas EPG na nyaeta fasilitas ngameh urang nyaho acara nu geus ditayangkeun atawa nu bakal ditayangkeun. Jadi urang moal katinggaleun acara nu dipikaresep ku urang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1876", "text": "Inuman munggaran anu kuring maréntahkeun dulur jang meuli capucino cincau nyaéta minuman favorit urang bahuela. Waktu éta kuring ogé mesen spageti nala nu aya di hareupun imah pikeun marengan inuman kuring dipesen. Ayeuna kuring boro kantos angkat meuli Capucino cincau deui. Teu siga baheula, unggal aya tugas, ampir sok ka Capucino cincau, nepi ka bisa kenalan anyar ti nagara sejen oge berkat sering nongkrong di Capucino cincau, nu baheula mah viral. Meureun ayeuna kuring bosen sabab kuring kungsi di Capucino cincau teuing ngan pikeun méakkeun waktu. Kuring ayeuna nyaho Capucino cincau varian inuman ogé condong jadi sarua siga kopi sacetan. Salian ti éta, kuring ogé ayeuna nyobian ngirangan asupan gula sanaos gula getih kuring saé.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "21", "text": "Rangginang mangrupakeun kadaharan tradisional anu dijieunna tina beas atawa beas ketan. Biasana indung urang jeung Ceu Emeh sok nyieun kadaharan ieu lamun keur aya acara siga muludan atawa haolan di imah. Indung urang nu nyieun adonanna, sedengkeun Ceu Emeh anu ngagorengna. Cara nyieunna adonanna oge babari, sok make beas ketan, cai kalapa, pewarna dahareun sacukupna, minyak kalapa jang ngagorengna, bawang bodas nu geus dihaluskeun, tarasi, uyah, jeung bumbu kaldu bubuk rasa sapi. Samemeh digoreng, biasana ku indung urang sok di poe heula eta rangginang teh di loteng anu kasorot panon poe, fungsina ameh garingna rata. Saenggeus kitu mah kari digoreng ku minyak nu geus dipanaskeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4577", "text": "Basa urang geus naek ka SMP ponsel handphone geus loba perkembangan jadi makin canggih salian ti bisa nelepon, sms ngadengekeun lagu jeung radio ponsel handphe oge bisa di pake nonton tv, ponsel handphone jaman eta aya antena na anu kudu di panjangkeun keur nengan sinyal lamun rek ningali tv beda jeung ayeuna anu bisa streaming dimana wae nongton tv tapi teu riweh ku antena. Jaman eta oge geus mulai loba piliheun jeung bentuk ponsel handphone, aya nu leutik panjang aya oge nu meber. Geus mulai aya oge jaman BBM blackberry messanger, bareto anu bisa BBM an teh ges canggih pisan, kakarek makin kadieu rame aya pnnsel handhone androida anu terus ngacanggihan siga ayeuna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1571", "text": "Cara ngahurungkeun seuneu di gunung. Mimiti jieun gundukan taneuh jang tempat perapianna. Kumpulkeun awi garing, rangrang garing, jeung kulit awi ka tempat perapian. Geus kitu ku urang susun ka luhur ku cara memanjang, ngameh seuneuna konsisten jeung beakna lila. Tuluy bagian tumpukan nu paling luhur, urang bisa bere rangrang garing. Saenggeus eta, hurungkeun sacara lalaunan ku korek api nu ku urang boga. Antepkeun seuneu hurung ti luhur, kipas-kipas weh lalaunan nepikeun ka seuneu di bagian luhur kabentuk. Lamun geus hurung, antepkeun perapian hurung nepikeun ka beak. Ulah ditambahan deui awi, soalna bakal jadi boros. Mun geus hurung mah urang tinggal siduru atawa masak dahareun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "816", "text": "Cara ngalakukeun sit up nu bener ieu penting dilakukeun ngameh teu cedera otot awakna. Nu kahiji posisi awak, nyaeta ku posisi nangkarak. Saenggeus eta lipet tuur jeung tempelkeun suku ka lantai. Nu kadua posisi leungeun, pas ngalakukeun sit up, teundeun leungeun dina posisi silang di luhur dada atawa teundeun di deukeut ceuli. Nu katilu angkat awak ka luhur, ka arah tuur, pas geus naekeun awak, atur nafas. Nu kaopat saenggeus awak diangkat deukeut kana tuur, geura-geura balikeun awak ka posisi mimiti atawa posisi nangkarak. Lakukeun gerakan ieu sabari narik nafas. Nu terakhir tinggal ulang-ulang gerakan anu tadi saloba 10 kali atawa saluyu jeung kamampuan awak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7359", "text": "Basa nuju ulin ka imah uwa. Abdi ningal di dinya aya meja tenis, asalna mah abdi mikir yen tenis teh sarua wae jiga nepak badminton tapi ulinna dina meja. Padahal lamun pas tos nyobian mah benten pisan lantaran bentuk raketna oge beda. Tapi aya sababaraha tehnik nakol anu sarua antara nepak jeung tennis. Abdi atoh pisan pas tiasa ngawaler bola anu dioper ku lawan. Sanajan abdi masih keneh teu sasuai jeung aturan, tapi abdi resep lantaran bola na teu kaluar ti meja. Abdi oge resep latian ulin tennis ku mantulkeun bola ka luhur dina raket tennis kumaha carana bolana teu labuh ka handap.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7028", "text": "K.H Ahmad Dahlan, tokoh agama sakaligus nasionalis Indonesia anu lahir dina kaping 7 Desember taun1868 di Yogyakarta. Manehna ngabdikeun hirupna pikeun memperjuangkeun hak asasi manusa jeung kamerdekaan bangsa Indonesia. Manehna dipikawanoh minangka politisi jeung ulama nu boga pangaruh di Indonesia. Anjeunna oge maenkeun peran anu penting dina ngadegkeun Muhammadiyah, organisasi anu ngajarkeun Islam sacara moderat jeung progresif. K.H Ahmad Dahlan oge aktif dina sagala rupa perjuangan, di antarana perjuangan ngalawan kolonialisme Walanda jeung perjuangan ngalawan radikalisme Islam di Indonesia. Anjeunna pupus dina kaping 11 April 1923 di Yogyakarta. Kalayan organisasi Muhammadiyah anu didirikeunana, anjeunna parantos masihan ajaran Islam anu murni ka umatna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4748", "text": "Nalika perusahaan keur ngalaman karugian, tangtuna bakal ngajadikeun batur kaleungitan fokus sareng henteu tenang komo bungah. Nanging, ieu kuduna bakal ngajadikeun anjeun parah jeung makin terpuruk dampakna kana perusahaan urang moal aya anu mere partulungan. Matakna anjeun ulah lila teuing terpuruk, terpuruk jeug sedih lila lila moal ngarengsekeun masalah. Makin lila urang sedih jeug terpuruk makin lila oge urang bisa bangkit na deui, jadi anjeun kudu langsung hudang pikeun ningkatkeun kaayaan kauangan perusahaan anjeun. Tetep tenang dina diajar masalah anu aya bisa mantuan anjeun nimukeun solusi anu pas. Salaku tambahan, anjeun kedah salawasna optimis sabab optimis bisa ngahadapi masalah ieu jeung pastina anjeun kudu ngajadikeun kaayaan ieu motivasi pikeun ningkatkeun kauangan perusahaan deui.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8894", "text": "Jaman baheula kuring keur ulin ka imah nini, ujug-ujug kuring nempo hiji vacuum cleaner di juru kamar. Kulantaran panasaran ka eta robot, kuring jadi hayang nyobaan nyepengan. Kuring mencet-mencet tombol, tuluy nyobaan kana lantai, sofa, sarta dina hordeng. Ku sabab masih panasaran, kuring ulin ka pakarangan nu loba daun-daun nu murag, ih, tapi teu lila mesin teh ujug-ujug pareum, kuring panik, sieun dicrekan ku si nini, soalna eta vacuum cleaner nepi ka peupeus. Kuring menta tulung ka bapa kuring ngahadean pikeun eta mesin bisa hurung deui, urang usahakeun jeung bapa, untung mesinna masih bisa dibenerkeun, ngan tadina aya nu mampet gara-gara daunna garing. Kuring ieu dipapatahan ku bapa, ceuk bapa teh ulah sok coba-coba ai teu nyaho fungsi na.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8094", "text": "Tong ditanya deui, upami PUBG janten game nu seueur dipaenkeun ku jalma. Seueur na nu maen ningkatkeun kompetisi dina jero game, urang kudu pinter-pinter ngatur strategi supados tiasa menangkeun chicken dinner. Strategi nu tiasa dianggo supados urang bertahan nika ahir game nyaeta, mimiti urang tiasa turun di tempat nu seueur senjata nanging kudu emut oge kamungkinan pemain sejen nu turun di tempat eta. Upami tos menang senjata sareng armor buru-buru ngumpul sareng squad urang supados tiasa saling ngabantos upami keur perang. Teras sabisa mungkin ngahindar ti peperangan upami kondisi urang kirang nguntungkeun sapertos kakurangan amunisi atanapi squad urang kirang jalma. Upami kitu urang tiasa bertahan nika ahir tur menangkeun game.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1605", "text": "Hayang melak tangkal tapi ngan boga lahan anu sempit? Kieu carana. Urang bisa make meotode tabulampot. Tabulampot mangrupakeun kapanjangan tina tutuwuhan buah dina pot nu mangrupakeun proses melak bibit buah di jero pot. Sanajan mibogaan keterbatasan lahan, cara melak tangkal atawa tutuwuhan di lahan sempit ieu oge ngamungkinkeun urang bisa tetep ngebon. Tapi teu kabeh tangkal buah bisa tumbuh ngagunakeun metode ieu, siga kadu nu mibogaan batang tangkal anu gede. Mun hayang ngagunakeun metode ieu bisa ngagunakeun bibit tina siki atawa bibit ku cara nyangkok. Alat-alat nu dibutuhkeunna nyaeta pot nu berguna jang nopang postur tutuwuhan, campuran taneuh, kompos, jeung arang sekam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3841", "text": "Sorabi dahareun anu aya ti jaman baheula, tapii masih kénéh jadi dahareun favorit nepi ka ayeuna. urang Sunda. Sorabi nyaéta kadaharan has ti Jawa Barat. Bahan anu diperlukeun pikeun nyieun sorabi nyaéta tipung béas jeung santan. Cara masak na make cetakan khusus tina taneuh terus di bakar dina hawu. Rasa Sorabi sabenerna hambar jeung rada gurih tina santan, aya dua cara ngadahar sorabi, nyaéta asin ku oncom asak caian jeung lada atawa didahar jeung sambel gula beureum atawa nu biasa disebut kinca. Tapi kiwari mah loba variasina, sorabi dijieun ku rupa-rupa rasa jeung topping, aya sorabi rasa coklat, sorabi kéju, sorabi hayam komo sorabi durian.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "822", "text": "Vixtor Axelsen salah sahiji atlet bulu tangkis anu asalna teh ti Denmark. Axelsen mibogaan awal nu jangkung nyaeta sakitar 194 cm. Ku sabab awakna nu jangkung ieu jadi babari nyemes jeung kajangkau bola-bola luhur. Oge leungeunna anu panjang jadi babari ngajangkau kok bulu tangkis ti sisi mana wae ge beunang. Ieu dibuktikeun ku Axelsen sok meunang wae di unggal pertandingan single putra, jeung sok juara wae. Nepikeun ka poinna melesat jauh jeung peringkat nu ka dua. Teu jarang netizen ge nganggap ku heureuyan mun manehna teh siga sosok monster atawa alien anu hese dielehkeunna. Komo deui raut muka Axelsen anu garang bisa ngaintimidasi batur nu jadi lawanna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7936", "text": "Cara urang mertahankeun hubungan sareng rerencangan nyaeta kedah nerapkeun sababaraha aturan. Salah sahijina nyaeta ulah nginjeumkeun artos ka rerencangan, ceunah mah hubungan urang sareng rerencangan teh bisa ereun lantaran duit, utamana lamun nginjeum jeung ngnjeumkeun duit. Teu kabayang lamun urang nginjeumkeun duit ka rerencangan anu geus dekeut biasana urang teu tega kanggo nagih utang manehna ka urang, kumaha lamun kondisina urang nuju periyogi artos teras hiji-hijina sumber duit urang ngan ti rerencangan anu dekeut hungkul. Biasana rerencangan dekeut anu nginjeum duit ka urang teh sok nagjadikeun \"batur\" salaku tameng ameh manehna teu ditagih urang, padahal utang teh bakal dibawa nepikeun maot. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2827", "text": "Pembangkit listrik tenaga nuklir dirancang ku rarancang pikeun nanganan zat radioaktif, sareng moal ngaleupaskeun zat radioaktif ka lingkungan, kalayan sababaraha téknik kaamanan sareng kaamanan radioaktif berlapis, sareng terus diropéa tina waktos ka waktos. Jalma anu ngoperasikeun sareng ngarancang pembangkit listrik tenaga nuklir sadar sareng sapinuhna sadar sareng ngartos radioaktivitas sareng bahaya na. Ku kituna saban tanaga anu ditugaskeun kudu mumpuni sarta kudu nga-renew lisénsina dina waktu anu tangtu. Upami anjeun nganggo méter radiasi sareng angkat ka pembangkit listrik tenaga nuklir di Perancis, contona (anu ngagunakeun 80% listrikna) anjeun bakal mendakan yén radiasi anu timbul tina pembangkit listrik nuklir langkung handap tina radiasi latar (radiasi anu anjeun nampi sacara alami. ti alam). Tapi, bandingkeun jeung PLTU anu ayeuna geus diwangun sacara masif ti jaman SBY nepi ka jaman Jokowi, lain ngan saukur ngaluarkeun polutan anu ngabalukarkeun efek rumah kaca. Tapi ogé kontaminasi radioaktif (anu teu seueur jalma terang).", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5445", "text": "Poe ayeuna teh mangrupakeun acara gebyar bulan bahasa di sakola abdi. Biasana sok aya penampilan drama, musikalisasi puisi, pidato, jeung sajabana. Tah poe ayeuna ngahaja abdi indit isuk pisan supaya meunang tempat diuk panghareupna. Mimiti pembukaan acara nyaeta nu ditampikeun musikalisasi puisi. Beres eta aya penampilan drama ti ekskul kasenian. Taun ieu drama nu ditampilkeun na nyaeta ngeunaan carita rakyat Malin Kundang. Drama na rame pisan, nepi ka kabeh siswa nu nonton ge jarempe bakat ku ngaregepkeun peran babaturan nana. Beres penampilan drama, aya deui penampilan pidato make bahasa Inggris ti pemenang lomba pidato Inggris antarkelas. Geus kitu mah acara dlajengkeun deui kana pembagian hadiah lomba.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1190", "text": "Jang anu masih keneh loba mikir neangan pagawean hese, mending ayeuna mah nyobaan jualan online. Oge jang karyawan anu hayang meunangkeun tambahan penghasilan, bisa oge ngamimitian jualan online. Komo deui ayeuna mah geus loba marketplace nu nyadiakeun jang masarkeun rupa-rupa produk jeung barang jualan. Pasar jualan online oge lega pisan, ieu jadi kasempatan jang meunangkeun loba konsumen. Teu ngan saukur lingkungan atawa babaturan deukeut, tapi beda kota oge bisa. Teu make modal ge bisa, misalna make sistem dropship atawa jastip. Ngeunahna make sistem ieu urang teu kudu meuli barang heula tuluy dijual, tapi urang meuli produk mun geus aya nu rek meuli, jadina urang moal rugi si produk eta teu ka jual.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5420", "text": "Salah sahiji tradisi unik suku Dani nyaeta tradisi bakar batu. Tradisi ieu dilaksanakeun ku cara masak bareng sakabeh warga. Mimiti, kepala suku kedah manah babi di leuweung dugi ka kenging. Tuluy eta babi teh dicandak ka tempat tradisi teras diberesihan tina jeroanna. Para lalaki ngagundukeun batu nu loba di hiji tempat tuluy luhurna ditutupan ku kai nu dibeuleum, tujuanna supaya batu panas. Geus batuna panas, dipindahkeun ka lobang khusus. Geus kitu eta batu disusun tuluy ditutupan daun cau atawa alang-alang. Luhureun dangdaunan eta diasupkeun babi nu meunang meresihan, tuluy ditutupan deui make dangdaunan.Tuluy luhureun na deui diasupkeun hasil tani juga hui-huian jeung bungbuahan. Tuluy ditutupan deui ku dangdaunan. Tungguan sakira saja satengah nepi ka asak. Geus asak mah digelar jang dahar bareng sasuku.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4721", "text": "Wirausaha boga peran anu kacida penting na dina ekonomi nagara sabab masarakat anu jadi wirausaha bisa muka lapangan pagawean anyar. Di loba nagara, wirausaha mangrupakeun aspek penting anu maenkeun peran penting dina ekonomi. Ieu alatan swasta didorong ku wirausaha ieu mangrupa kontributor pangbadagna pikeun ekonomi. Sikep wirausahawan atawa pangusaha anu sok panasaran ngajadikeun wirausahwan atawa pangusaha salawasna bisa manggihan inovasi anyar dina dunya usaha. Ku kituna, saurang wirausaha kudu mibanda sipat wirausaha sangkan usahana bisa mekar gede jeung kalawan bener. Pangusaha jaman ayeuna teu kudu lumangsung gede, ayeuna loba jelema anu ngabogaan usaha leutik komo ayeuna rame ku ayana sosial media. Pedagang di pasar, toko sembako di gigireun imah, nepi ka nu dagang nasi uduk nu ngalanggan unggal poe nyaeta conto-conto pangusaha di sabudeureun urang.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7459", "text": "Kanggo ngajagi mesin cuci tetep awet, aya sababaraha hal anu kedah diperhatikeun yen teu sadaya barang tiasa asup kana mesin cuci, salah sahijina nyeta koin atawa duit receh. Koin anu asup kana mesin cuci bakal ngarusak sirip pompa pembuangan mesin cuci. Koin oge aya kamungkinan nyangked dina pipa pembuangan jeung ngajadikeun saluran cai mangpet. Di mesin hiji tabung anu bukaanna dijieun tina kaca oge koin tiasa mepeuskeun bukaan kaca eta. Karusakan-karusakan eta bakal ngaluarkeun ongkos anu gede kanggo ngabenerkeunna lamun nepikeun rusak. Teu heran lamun mesin cuci biaya ngabenerkeunna gede lantaran komponen-komponen anu aya di mesin cuci teh teu mirah pangaosna. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4984", "text": "Mejikom boga andil luar biasa penting na dina minuhan kabutuhan pokok sapopoe, komo ibu rumah tangga jeung anak kost mah. Unggal poe abdi ge di kostan masak sangu dina mejikom. Kade pas masakna, kadang beda beas beda oge takeran cina. Aya nu ngepas sabuku, aya nu kudu di leuwihan, kitu oge sabalikna. Tah Masa sangu eta teh kumaha pinter-pinter na urang supaya teu biye teuing atawa gigih keneh. Daripada meser sangu ka luar, mending keneh masak nyalira dina mejikom, itung-itung ngahemat pengeluaran we ieu mah. Ngan, upami mejikom na tos kotor, beresihan heula sabab sok ngaruh kana sanguna. Rata-rata mun mejikom kotor teh kana sanguna sok koneng atawa garing wae sisina jadi ngerak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8844", "text": "Kaulinan hayu masak nyaéta kaulinan simulasi anu ngalaksanakeun kagiatan masak kadaharan atah ameh diasak pikeun mateng. Dimana pamaen salaku koki bakal dibéré misi masak. Pamaén bakal diperlukeun pikeun bisa ngalayanan kadaharan asak ku nangtukeun bahan, nangtukeun suhu seuneu, nangtukeun waktu porsi katuhu, cara motong, jeung kumaha ngalayanan nepi ka dahareun siap dijieun jeung resep bumbu luyu. Ku kituna kalayan masakan dilayanan asak, pamaén baris meunang kompetisi di buruan. Pikeun barudak, maén téh sarana diajar. Kaulinan masak ngamungkinkeun barudak ngamekarkeun kecerdasan akademik, kognitif, sosial jeung emosional. Henteu ngan senang, kaulinan masak sabenerna bisa mawa mangpaat pikeun ngembangkeun barudak anu maénkeun éta.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6132", "text": "Tiktokshop jadi salah sahiji fitur market pilihan diantara berbagai aplikasi. Seueur nu balanja dina Tiktokshop teh sabab hargana nu leuwih murah, jeung loba diskon unggal balanja teh. Komo mun ngiringan nonton live na mah, pasti seueur produk nu mirah jeung dibere diskon khusus keur live. Salian eta, gratis ongkir ge jadi salah sahiji daya tarik tina ieu fitur market. Mantakna, seueur pisan nu milih balanja di Tiktokshop tibatan marketplace nu lain. Da barang na mah sami, ngan hargana nu leuwih murah. Komo mun urang geus bga koin atawa voucher Tiktokshop mah pasti bakal meunang loba potongan harga jeung gratis ongkir.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5886", "text": "Robot vacum cleaner teh mangrupakeun robot nu fungsina jang beberesih di imah atawa di ruangan. Robot vacum cleaner ngabogaan bentuk buleud pipih nu dihandapna ditopang ku kaki nu bisa gerak mawa kaditu kadieu. Di luhurna aya tombol nu fungsina nangtukeun mode pembersihan, biasana aya nu mode vacum, mode pel, mode nyapu, jeung sajabana. Tinggal pilih sasuai kabutuhan kaberesihan harita. Mun keur dihirupkeun, robot vacum cleaner teh sok kaditu-kadieu puputeran saukur dinu tempat nu kotor nepi ka nu beresih. Mun geus beresih mah tinggal dipareuman make pencet tombol off. Harga robot vacum cleaner teh aya di kisaran harga opat dugi ka puluhan juta, kumaha teknologi nu diusungna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9372", "text": "Kabiasaan jalma di lembur anu pikaresepeun mah lamun peuting anu isukanna teh lebaran, meni rame ari ngarayakeu lebaran di lembur mah. Ti peuting saanggeus isya teh urang bakal kumpul di rumah Pak RT nyandakan obor, kuring oge jeung babaturan sok miluan ieu. Teras urang sadaya ngurilingan RT bari mawa obor, biasana mah sok disebut pawai obor. Lamun ngaliwat ka bumi uwa atawa sodara nu sejen, sok nganjang heula sakeudeung biasana mah sok bari ngoloan dahareun nu aya di bumi uwa, karek lumpat deui nuturan rombongan pawai. Pernah sakali kuring ngiringan pawai obor tapi teu idin heula ka mamah, pas balik dicarekan bebeakkan. Ceuk mamah lamun rek ngiluan pawai kudu bebeja heula ameh mamah teu hariwang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5064", "text": "Basa bulan November kamari, Rehan jeung babaturanna hiking Gunung Gede. Rehan mawa lima babaturanna, lalaki kabeh. Inditna harita poe Sabtu isuk-isuk tuluy uih deuina poe Minggu. Rehan mulai muncak jam salapanan, dugi ka alun-alun Suryakencana na jam opatan da jalan na bari santai jeung loba eureun. Geus nepi ka alun-alun, buru-buru masang tenda da bisi hujan manten. Bener weh, beres masang tenda teh tuluy hujan badai. Angin seseokan hampir ngaruntuhkeun tenda. Cai banjir arasup kana tenda, jadi sagala alat-perlengkapan teh baseuh. Sapeupeuting teu bisa sare ngagoler da jero tenda na cai hungkul. Hujan badaina eureun-eureun waktu subuhan. Eta sapeuptuing teu bisa istirahat pisan, Rehan meuni ngarasa capek. Isukanna, jam dalapanan Rehan jeung babaturanna tuluy muncak. Geus nepi ka puncak fofotoan heula bari meuli sarapan di warung. Nya, di puncak Gunung Gede ayeuna mah aya sababaraha warung. Geus beres sarapan, Rehan tuluy turun lewat jalur Cibodas. Duh eta mah hiking teh teu bisa dipohokeun pisan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "492", "text": "Masjid Al Irsyad anu aya di Kota Baru Parahyangan, Padalarang jadi salah sahiji masigit anu bisa dijadikeun wisata religi. Masigit ieu mibogaan kaunikan sorangan, ku sabab bentuk bangunanna nu teu siga masigit kawas umumna. Masigit ieu bentukna persegi atawa kubus jeung aya bolong-bolongan dina tembokna nu ngabentuk dua kalimah syahadat. Lamun dijero masigit ieu katinggali lobana ruang terbuka. Nu paling katinggalina nyaeta mimbak nu terbuka lega jeung aktinggali gunung oge tatangkalan nu harejo. Didieu oge bakal katinggali beton nu bentukna buleud, ukuranna gede jeung aya lafadz Allah. Di bagian atap masigit aya 99 kotak persegi anu mangrupakeun lampu jang penerangan. Tuluy di juru tiap kotakna ngabentuk asma Allah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6512", "text": "Opat hal nu bisa dilakukeun dina nyiapkeun diri ngahadapi ancaman bencana alam. Nu kahiji nyaeta simpen nomor darurat, misalna call center ambulance, call center BPBD, jeung sajabana. Nu kadua nyaeta siapkeun tas darurat. Tas darurat teh eusina perlengkapan diri nu bisa digunakeun minimal salila tilu poe. Eusina teh bisa pakean, obat-obatan, jeung kaperluan lain. Nu katilu nyaeta siapkeun tas dokumen. Kabeh dokumen penting teh dihijikeun dina tas supaya mun terjadi bencana alam teh bisa diamankeun jeung bisa dibawa. Nu kaopat nyaeta pahami tanda-tanda terjadina bencana. Mun geus aya tanda bencana alam, kudu sigap lumpat ka jalur evakuasi supaya bisa nyalametkeun diri.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7204", "text": "Pempek Palembang mangrupakeun kadaharan has ti Kota Palembang, Sumatra Kidul, Indonesia. Kadaharan ieu didamel tina daging lauk anu dicampur aci, uyah sareng rempah-rempah khusus anu sanes. Pempek tiasa diolah ku cara digoreng, dikulub, atawa dipanggang. Kadaharan ieu biasana disuguhkeun ku saos cuka anu disebut saos cuko atanapi saos kalio. Pempek oge tiasa ditambahan ku tambahan endog, udang, aci, atawa bahan sejenna. Aya seeur jenis pempek di antarana kapal selam, lenjer, adaan, pempek keriting jeung sajabana. Pempek Palembang jenten kadaharan anu populer di Indonesia sarta dipikaresep ku sakumna lapisan masarakat. Pempek biasana disuguhkeun ku sambel kacang, cai asam jawa jeung bawang bodas goreng. Pempek oge tiasa didahar jeung sangu atawa lontong.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4742", "text": "Ide jualan di imah aya deui nyaeta jualan baju di online tina internet, jaman ayeuna batur leuwih resep balanja di internet loba faktor anu ngajieun batur leuwih milih balanja di internet umum na mah nya kusaba praktis jeung lolobana gagara ningali iklan na wae lamun keur muka sosial media. Baju bisa jadi ide julana di imah kusabab jelema teh ayuna mah di tungtut wae good looking jadi ngabutuhkeun wae baju, model baju baju ieu oge eweuh ereun na unggal poe aya weh model anyar, ieu teh jad salah sahiji mangfaat lamun jualan baju nyaeta orderan loba wae jeung baju sasuatu anu bisa di simpen lila.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "143", "text": "MRT salah sahiji transportasi lokal anu aya di Jakarta, hiji-hijina nu aya di Indonesia. MRT ieu dijieun ti taun 2016. Kerena na panjang pisan. terus di kereta ieu geus aya cecepengan nu ngagarantung warna koneng, jadi bisa nyepengan lamun keur jalan tarik. AC na oge geus nyaman kawas AC di kereta api. Korsina panjang warna biru tina plastik. Panto kereta na oge otomatis bisa muka jeung nutup sorangan. Di kereta ieu ge geus aya penjagana biasana saorang, bulak-balik ti gerbong mimiti ka gerbong akhir mastikeun penumpangna tertib, henteu ngobrol jeung dahar, sabab bisa ngaganggu kana kanyamanan batur. Hargana oge murah, ti ujung ka ujung teh ngan mayar Rp 12.000.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "971", "text": "Asimo mangrupakeun robot humanoid nu bentukna mirip budak usia 10 taun. Manehna bisa leumpang siga jelema, lumpat, dansa, jeung ngomong. Asimo oge bisa ngadeteksi gerakan jelema nu keur leumpang, tuluy sacara otomatis leumpang ka arah nu beda ngameh henteu tabrakan. Salian eta, Asimo oge geus bisa ngalakukeun gerakan ngaloncat, ngalangkah mundur, atawa leumpang di luhureun permukaan anu teu rata sarta ngalakukeun tugas-tugas sederhana siga nyicikeun minuman, ngadorong troli atawa narima jeung maturan tamu ka rohangan anu dituju. Tapi pas taun 2018, pengembangan Asimo dieureunkeun jang fokus kana teknologi robotik kahareupna. Sanajan kitu, rupa=rupa teknologi ti robot Asimo bakal tuluy diterapkeun dina ngembangkeun fitur-fitur anu canggih.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4160", "text": "Pesona kaéndahan alam di Pulo Bali geus teu diragukeun deui. Sakuliah pulo urang bisa ngarasakeun kaéndahan alam anu manjang, ti gunung, pantai malah danau. Sanajan kitu, aya hal unik nu ngajadikeun Bali malah leuwih husus, nya éta pelestarian budaya anu jero karasaeun dina sendi kahirupan masarakat. Nganjang ka Bali karasa leuwih istiméwa lamun urang junun meunangkeun momen seru ku ningali upacara adat agama di Bali. Umumna upacara adat ieu bisa disaksian ku wisatawan ngan saukur nyaksian atawa ngadokuméntasikeunana. Di bali pasti geus teu aneh ku seringna ningali upacara kaagamaan agama hindu. Di agama hindu sagala rupa pasti di upacaraan, misalna urang boga imah anyar atawa karek meuli mobil anyar. Upacara di agama hindu nyaeta sebuah perwujudan rasa syukur jeung menta kasalamatan ka Tuhan jeung para leluhur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5111", "text": "Cara ngahasilkan acis tina hobi nulis. Mimiti, tekunan hobi urang, asah terus pamahaman na dugi ka bener-bener paham. Terus, coba gabung jeung komunitas nu sahobi supaya meunang elmu nu leuwih loba. Geus kitu, cobian perbaiki tulisan urang terus diskusikeun jeung babaturan. Upami dirasa tos layak, cobian kirimkeun ka media daring. Mun tulisanna kaangge jang diublikasikeun, bakal aya balesan lewat email. Mun tos kitu, tinggal tingkatkeun kualitas tulisan jeung tuluy kirimkeun wae ka media supaya bisa dipublikasieun deui. Koncina hiji, tong bosen jeung gampang nyerah komo mun pesimis mah kana tulisan urang. Kudu percaya diri we heula bahwa tulisan urang teh layak dipublikasikeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3871", "text": "Bakso asalna ti wewengkon Jawa Timur atawa Jawa Tengah, tapi di Jawa Barat, bakso loba pisan diminati. Anjeun tiasa mendakan bakso bas adi dimana-mana, ti sisi jalan dugi ka réstoran mewah. Bakso nyaéta olahan daging anu digiling dina bentuk buleud anu didahar ku kaldu seger. Anjeun tiasa nambihan mi sareng sayuran, bakso ogé seueur varian, ti bakso empuk, bakso urat, bakso endog, bakso mercon, bakso anak, bakso tahu, bakso keju bahkan bakso vegetarian anu henteu nganggo daging. Bakso ogé bisa dipénta, anjeun tiasa nganggo mie, blueberries sarta sayuran. tapi keur kuring pribadi mah teu make tauge, sabab dina umumna bakso make tauge atah nu kadang ngajadikeun bau jeung rasana kurang nikmat. Harga bakso ogé kawilang murah, biasana tina harga sapuluh rébu, bisa meunang bakso. Urang ogé bisa nyampur bakso sakumaha dipikahoyongna ku bébas nambahkeun kecap, saos jeung sambel cabe ogé cuka nurutkeun rasa.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6785", "text": "Lantaran tos kapok diajar maen gitar, abdi nyobian alat musik nu sanes anu keur usum pas pandemi covid, nyaeta kalimba. Alat musik ieu teh sabenerna mah mirip siga piano, matak disebut oge piano ramo. Abdi panasaran ka alat musik ieu lantaran katingalina siga nu gampang, padahal mah lumayan sesah. Alat musik ieu aya nu didamel ti awi, aya oge anu didamel ti akrilik. Aya dua puluh hiji tuts di kalimba, masing-masing gaduh gaduh sora anu benten. Abdi meser kalimba anu didamel ti awi warna na coklat jeung aya ukiran gambar rusa. Upami tos tiasa maen alat musik, sabenerna diajar kalimba moal sesah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9411", "text": "Hayam bakar nyaeta kadaharan anu dijieun tina daging hayam nu dipanggang atawa dibakar dina batu bara atawa dina oven. Kadaharan ieu biasana dibumbuan kalayan rempah-rempah khusus anu masihan rasa anu gurih sareng nikmat. Diantarana kecap, bawang bodas, uyah, pedes, jeung mantega. Hayam bakar biasana disuguhkeun sareng sangu haneut, sambel cabe jeung lalab. Hayam bakar populer pisan di Indonesia. Hayam bakar biasana ngagunakeun dada atanapi pingping hayam salaku pilihan potongan anu dianggo. Bagian ieu dipilih kusabab dagingna kandel sareng lemu. Di unggal wewengkon di Indonesia miboga resep hayam bakar anu beda-beda. Nanging, hayam bakar anu paling mineng dipanggihan nyaeta hayam bakar anu dibumbuan ku kecap.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4515", "text": "Mindengna barudak leuwih resep méakkeun waktu maranéhanana ulin jeung gerak aktip. Tapi, sanggeus asup sakola, suka atawa henteu, jam maén kudu ngurangan. Nanging, éta lain hartina aranjeunna henteu bisa tetep aktip maén ulin gerak jeung réréncangan na. Tah kukituna sakola nawarkeun klub olah raga atawa biasa disebut ekstrakurikuler, sangkan barudak masih bisa ngarasakeun waktu maén, kayaning futsal, tari, baskét atawa voli. Ekstrakulikuler loba mawa dampak baik atawa positif ka barudak anu jadi anggotana. Salian rasa bahagia jeung bebas gerak saeungggeus capek ngumprek kana palajaran sakola ekstrakulikuler oge jadi panyaimbang emosi jeung mental budak, bisa meungkeun sosialisasi leuwih jeung pastina bisa nyehatkeun awak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4745", "text": "Karugian datang na teu bisa di prediksi, dunya usaha teh dinamis jeung bisa babari goyah aya dua faktor anu mempengaruhi karugian di kantor atawa parusahaan nyaeta faktor eksternal eung internal. Faktor ekstrernal atawa faktor ti luar parusahaan saperti bisa dina kaayaan ekonomi dunya anu bisa berimas ka dunya usaha bisa oge kana trend atawa selera masarakat anu gancang robah jeung sajabana aya deui faktor internal atawa faktor ti jero, misalkeun anu loba kajadian nyaeta manajemen na anu teu alus teu bisa berjalan sakumaha saharusna atawa bisa oge tina faktor karyawan anu teu jujur misalkeun ngalakukeun korupsi, eta oge bisa jadi kusabab usaha bangkrut atawa rugi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8294", "text": "Marketplace mangrupikeun platform anu janten perantara antara penjual sareng pembeli pikeun transaksi online. Dina basa sejen, pasar online. Ngamimitian bisnis online di pasar oge cukup populer sabab eta gampang sareng gratis. Sadaya anu anjeun kedah laksanakeun nyaeta milih pasar, ngadaptarkeun akun, pasang produk, sareng ngantosan pembeli sumping sareng ngadamel transaksi. Salaku tambahan, rupa-rupa kategori produk oge disayogikeun dina pasaran. Dimimitian ti produk fisik sapertos pakean, elektronika, kadaharan sareng inuman, dugi ka produk jasa sapertos agen perjalanan sareng panitia kawinan. Nanging, anjeun kedah langkung sabar nalika mutuskeun pikeun ngaluncat kana jinis bisnis online ieu. Ieu kusabab persaingan di pasar ketat pisan sareng perang pangaos anu seukeut.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8648", "text": "Budi teh pagawe kantor nu cicing di apartemen mewah di kota. Anjeunna teu resep hirup salaku tatangga sarta sok ngarasa keuheul mun interaksi jeung tatanggana. Budi sok ngutamakeun kapribadianna jeung ngajauhan kadeudeuh jeung tatangga di sabudeureunana. Malah sok ngajauhan ngumpul dina acara-acara anu diayakeun ku paguyuban apartemen, lantaran ngarasa keuheul ku ayana balarea. Nalika tatanggana butuh pitulung atanapi naroskeun kaayaanana, Budi condong kesel. Manehna ngarasa teu kudu pipilueun kana masalah batur jeung leuwih milih ngajauhan tatanggana. Hal ieu ngajadikeun hubungan Budi jeung tatanggana teu raket. Budi teu gaduh rerencangan di lingkunganana sareng teu gaduh bantosan nalika peryogi. Anjeunna ngarasa sepi tur ngarasa teu boga jaringan sosial nyukupan sabudeureun anjeunna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "550", "text": "Jang masarakat Sunda di Jawa Barat mah wajit teh jadi cemilan wajib pas keur waktu nyantai ti waktu isuk-isuk atawa pasosore. Wajit paling mindeng manggih di Desa Cililin. Wajit teh geus aya di wilayah Jawa Barat ti abad ka-15 masehi. Anu dibuktikeun ku manggihna karakter dahareun nu ngarujuk ka arah wajit dina naskah-naskah Sunda kuno. Salah sahijina Sanghyang Siksakandang Karesian anu oge dijadikeun salaku ensiklopedia kabudayaan Sunda Jawa Barat. Wajit mangrupakeun salah sahiji kadaharan nu teu bisa didahar ku sambarang jelema, ngan kalangan menak jeung bangsa penjajah hungkul nu bae ngadahar wajit. Jadi wajit teh kadaharan anu mewah pas keur baheula mah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4090", "text": "Prof. Dr. Haji Abdul Malik Karim Amrullah atawa leuwih katelah Buya Hamka, lahir di Manninjau, Kabupatén Agam, Sumatera Barat ping 17 Pébruari 1908. Hamka téh salah sahiji sastrawan Indonésia anu nulis jeung medalkeun buku panglobana. Buya hamka nyaeta salah sahiji tokoh kaagamaan islam nyaeta muhamadiyyah anu terkenal di indonesia. Buya hamka anu memperkenalkeun muhamadiyyah di tanah minangkabau. Perjuangana ti keur leutik teu babari nepi ka bisa saterkenal ieu ayeuna Prof Dr Haji Abdul Malik Karim Amrullah atawa Buya Hamka keut leutikna ngalaman perceraian kolotna nu ngajieun buya hamka jadi kahilangan arah nepi ka akhirna milih masantren nu akhirna ngajadieun jadi budak nu mandiri jeung boga daya juang ti leleutik. Ti umur 15 tahun buya hamka leutik niat rek ngarantau ka pulai jawa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4626", "text": "Tanpa kulkas atawa lemari pendingin, pastina urang bakal riweh kusabab kadaharan bakal gampang busuk jeung teu tahan lama komo sayur sayuran jeung kue kuehan anu babari busuk jeung sabab teu bisa disimpen dina waktu anu lila. Kusabab fungsi pamakéanana dina ngawétkeun dahareun jeung bahan bahan keur masakan, kulkas jadi salah sahiji panimuan ngarobah dunya dina sajarah dahareun. Jaman baheula samemeh di timukeun kulkas urang jaman baheula hararese lamun rek nyimpen dahareun, matakna kapaksa make pengawet. Kulkas mangrupikeun kulkas anu didamel ku cara nyiptakeun kaayaan pendinginan sareng ngaleungitkeun panas. Alat-alat ieu tiasa ngawétkeun tuangeun kusabab pertumbuhan baktéri ngalambatkeun dina suhu anu langkung rendah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4490", "text": "Marcus Fernaldi Gideon (lahir 9 Maret 1991) [3] nyaéta saurang pamaén badminton ganda putra Indonésia anu saméméhna gawé bareng jeung Markis Kido dina ganda putra jeung ganda campuran jeung Rizki Amelia Pradipta. Taun 2015, manéhna ngamimitian gawé bareng jeung Kevin Sanjaya Sukamuljo dina ganda putra nepi ka ayeuna. Dina ahir taun 2017, Marcus Fernaldi Gideon babarengan jeung Kevin Sanjaya Sukamuljo junun nyieun sajarah anyar dina ganda putra kalawan meunang 12 turnamén dina 1 taun. Dina Minggu 17 Désémber 2017, maranéhna meunang turnamén BWF Super Series Final di Dubai ku ngéléhkeun pasangan Cina Zhang Nan/Liu Cheng kalawan skor ahir 21-16, 21-18. Lindswell, ogé katelah Lindswell Kwok atawa ngaran cina na Guō Lìjuān, lahir 24 Séptémber 1991 nyaéta urut atlit taijiquan. Anjeunna mangrupikeun salah sahiji atlit wushu taolu anu kasohor sepanjang waktos. Dina taun 2013, manéhna dinobatkeun Atlét Pangalusna ku Komite Olimpiade Indonésia, sarta narima Satyalancana Dharma Sports, panghargaan olahraga pangluhurna Indonésia. Pikeun prestasina, média Indonésia nyebat anjeunna salaku \"ratu wushu\". Lindswell mimiti latihan wushu dina taun 1999, nuturkeun léngkah lanceukna, Iwan Kwok. Anjeunna meunang medali pérak kahijina dina Kompetisi Nasional Junior Indonésia taun 2005 sarta medali emas dina kompetisi anu sarua dina taun saterusna. Taun 2006, manéhna miluan kahiji kalina dina Kejuaraan Wushu Remaja Dunia (WJWC) di Kuala Lumpur, Malaysia, sarta meunang medali perunggu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1598", "text": "Sakapeung mah saking stressna balik ka imah teh sok buru-buru hayang ngeueum dina jolang, keur ngeueum sabari nyarande kana tembok bari meureumkeun panon. Karasa cai anu panas ngabaseuhan awak. Komo mun ditambahan aromaterapi bari nyetel lagu anu santai mah, beuki pikiran teh jadi tenang. Ngeueum dina jolang teh bisa nepikeun ka sajam, malah mah pernah nepikeun ka sarena dina jolang saking ngeunahna, lantaran pikiran jadi rileks, awak oge milu rileks. Tapi mun keur loba waktu mah biasana ngeueumna tara di imah, tapi di tempat ngeueum anu loba jelema, lantaran cai panasna karasa pisan panas tibatan jeung cai nu aya di imah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2270", "text": "Hiji poé, saurang raja mutuskeun rék ngumbara ka nagarana. Unggal ngaliwat ka tempat anu béda-béda, unggal jalma buru-buru nepungan anjeunna.\r\n\r\nNanging, nalika raja ngaliwat ka hiji tempat, anjeunna ningali hiji sepuh anu miskin. Eta lalaki teu merhatikeun kadatangan raja terus sibuk ku kagiatanana.\r\n\r\nRaja lajeng sumping ka lalaki sarta nanya naha anjeunna teu gabung jalma pikeun nepungan anjeunna.\r\n\r\nSi kokolot ngawaler, “Samemeh maneh, geus aya raja-raja sejen anu ngaliwat ka ieu tempat. Sarerea ngumpul pikeun ningali éta ogé.\r\n\r\nTapi, sababaraha poé sanggeusna anjeunna maot sarta dimakamkeun wae caket dieu. Hiji jalma miskin oge maot dina mangsa éta sarta dikurebkeun deukeut kuburan raja.\"\r\n\r\n“Sanggeus sawatara waktu, banjir gedé ngagebrét ka éta wewengkon ngabalukarkeun kuburan-kuburan digulingkeun. Balukarna, tulang-tulang si miskin campur jeung tulang-tulang raja. Kami henteu tiasa ngabédakeun antara aranjeunna deui.\r\n\r\nSaatos ningali ieu, éta henteu penting deui pikeun kuring anu raja sareng saha anu pengemis. Tungtungna, imah urang ogé bakal sarua. “, sambung si sepuh.\r\n\r\nPesan moral anu tiasa dicandak tina ieu carita nyaéta nalika urang maot, urang sadayana bakal katingali sami di sisi Allah SWT tanpa jabatan, harta, atanapi naon waé anu aya di dunya.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1848", "text": "Sababaraha bulan kapengker, kuring jeung babaturan dahar All You Can Eat di daerah bandung, nyaeta Pochajjang Korean BBQ tepatna. Mimitina kuring terang tempat ieu tina youtube mukbang. Kabeneran pangalaman iyeu mangrupakeun pangalaman mimiti, kumargi yén kuring teu pernah nyoba eta sapanjang hirup kuring, teu kunanaon ka kalana méakkeun hasil buruhan sabulanen jang ngabibita létah jeung peujit. Abdi ngabela ka bandung ti daerah abdi anu jarakna 5 jam. Dina waktos anu sami, nganjang ka baturan, anu teu acan ningali anjeunna ampir 4 taun. Basa rék asup ka outlet, San nanya ka pelayan naha dagingna halal, padahal tadina mah cenah halal di mukbang. Tapi, keukeuh, cenah afdol jeung para pelayan ngajawab halal. Saatos milih korsi, kami dideukeutan sareng ditaros upami kami kantos tuang di dinya. Lamun datang pikeun kahiji kalina, anjeun bakal dipedar ngeunaan harga jeung aturan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7386", "text": "Gymball nyaeta bal karet badag, biasana dipake pikeun olahraga. Ukuranana rupa-rupa antara 55 – 75 cm Bahanna hampang tur lemes, ku kituna nyaman pisan pikeun ibu-ibu ngagunakeun dina sagala umur kahamilan, kaasup nu keur kakandungan beurat. Bola anu dipikawanoh diantara pencinta kabugaran ieu oge tiasa dianggo pikeun santai. Pas nuju hamil, urang tiasa nganggo gim bal pikeun latihan, atanapi salaku gaganti korsi nalika damel, tuang sareng santai bari nonton TV. Pamakean gim bal gaduh loba mangpaat pikeun ibu hamil. Ngurangan nyeri tonggong, ngabenerkeun posisi awak urang, ngurangan tekanan dina pinggul jeung diuk dina gim bal oge leuwih nyaman tipada diuk di korsi biasa.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9582", "text": "Poé ahad kamari Ujang jeung Enéng indit ulin Pasar Kagét, caritana rék jajan kadaharan nu aya di Pasar Kagét. Isuk-isuk kénéh geus tatahar, ngarah teu beurang teuing didituna. Indit kanu motor, Enéng dibonceng ku ujang. Nepi ka lokasi, Ujang langsung manggih nu dagang awug, ari awug téh mangrupa kadaharan khas sunda anu dijieunna tina béas nu diseupan maké gula jeung kalapa. Ujang langsung baé meuli awug sabab manehna kacida resepna kana kadaharan ieu, rasana nu amis jeung gurih jadi kameumeutna. Ari Eneng mah manggih tukang bilur gulung, jajanan anu dijieunna tina bihun jeung endog anu digulung ieu jadi jajanan nu tara kaliwat nalika ka pasar Kagét.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2341", "text": "Dina ngalaksanakeun tradisi Ruwatan aya sababaraha sarat anu kudu dicumponan, nya éta sasajén. Sajen nyaéta kadaharan jeung barang-barang séjénna saperti kembang anu dijadikeun alat komunikasi atawa interaksi jeung mahluk gaib atawa gaib. Dina tradisi ruwatan, aya sababaraha sesajen anu diperlukeun nalika ngamimitian upacara ruwatan. Sesajen nu dipaké dina ruwatan téh lain waé dina wangun kadaharan, tapi ogé barang-barang séjénna, saperti kembang, béas, lawon, jeung réa-réa deui. Rupa-rupa sesajen dina upacara Ruwatan ngawengku: Ratusan atawa seungit menyan, lawon mori bodas, lawon batik, sangu segedeng, Rupa-rupa sangu, Jenang, jajanan pasar, Benang, Rupa-rupa rujak, Cai, tujuh sumber, Kembang setaman Sanggeus sasajén sadia. , acara-acara anu kudu dilaksanakeun dina upacara ruwatan nyaéta kieu: Ngayakeun pagelaran wayang minangka pituduh pintonan anu disebut dalang. Lakon anu dipagelarkeun mangrupa lalakon husus, nya éta Murwakala Nyuguhkeun sasajén husus pikeun muja Batara Kala", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9390", "text": "Cilok jadi kadaharan anu kasohor di Bandung. Ngaran cilok asalna tina wancahan aci dicolok. Cilok dijieunna tinu tipung aci anu dibuleud-buleud. Ilaharna, cilok miboga eusi anu rupa-rupa. Aya nu dieusian ku gajih, ku endog, ku abon, jeung sajabana. Di Bandung, aya salah sahiji tempat nu cilokna geus kasohor nikmatna, nyaeta Cilok Sari Rasa nu aya di Jalan Laswi, Bandung. Teu jauh ti jalur kareta api arah jalan Gatot Subroto, Cilok Sari Rasa Laswi babari pisan dipanggihanna kusabab rodana nu badag. Mirip pisan jeung roda tukang bakso. Di dieu, cilok nu disadiakeun nyaeta cilok eusi gajih anu miboga rasa gurih. Dibanjur ku bumbu suuk jeung kecap, cilok ieu geus tangtu jadi leuwih nikmat. Cilok Sari Rasa Laswi buka ti mimiti jam opat sore nepika jam salapan peuting.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7956", "text": "Seeur pisan tatangkalan anu aya di padesaan, biasana tatangkalan anu dipelak teh tatangkalan anu tiasa ngahasilkeun bungbuahan anu engkena tiasa diical deui atawa diemam nyalira sapertos tangkal kalapa, tangkal cau, tangkal buah, tangkal rambutan jeung tangkal balingbing. Tatangkalan ieu biasana dipelak di hareupeun imah. Lamun tos buahan biasana buahna sok dialaan ku manehna sorangan atawa diical ka warung-warung leutik anu aya di caket imah. Tapi lantaran dipelak di hareupeun imah, biasana buahna sok dicokot ku batur matak teu sakedik oge anu ngabungkusan buah anu rek jadina dina keresek atawa karung supados lamun buahna geus asak teu labuh teras janten buruk, atawa supados teu digaleuy ku sasatoan anu sanes. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5738", "text": "Basa taun 2000an mah aya hiji petinju nu kawentar pisan ka mana-mana, namina teh Chris John. Anjeunna tos kawentar sabab prestasina nu seueur pisan. Anjeunna sukses janten petinju legendaris Indonesia nu berhasil ngukir rekor di tingkat internasional. Basa masa-masa kasuksesan na teh, unggal aya pertandingan tinju teh pasti nu kabayang mimiti teh langsung nami Chris John sang legendaris. Ti budak nepi ka kolot teh pasti apalna patinju hiji-hijina nu hebat di Indonesia nyaeta Chris John. Nepi ka aya paribasa kudu kuat beh hebat jiga Chris John. Saberes pensiun tina dunia tinju, anjeunna gabung kana partai politik sareng oge jadi event promotor. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8681", "text": "Aya sababaraha cara anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun nyiapkeun diri pikeun bencana alam. Nyiptakeun rencana darurat anu kalebet tindakan anu kedah dilakukeun upami aya bencana, sapertos tindakan evakuasi, dimana pendak sareng kulawarga, sareng cara ngahubungi otoritas. Pastikeun rencana ieu dipikawanoh ku sakabeh anggota kulawarga. Nyiapkeun suplai darurat kayaning cai nginum, kadaharan nu teu gampang rusak, parabot medis dasar, baju haneut, senter jeung batre radio. Pastikeun pikeun ngapdet suplai darurat anjeun sacara rutin sareng simpen di tempat anu gampang diakses. Ilubiung dina palatihan sareng program anu diayakeun ku otoritas atanapi organisasi lokal pikeun ningkatkeun kaahlian sareng pangaweruh anjeun ngeunaan bencana alam sareng cara nungkulanana. Nyiapkeun pikeun bencana alam tiasa ngabantosan anjeun sareng kulawarga anjeun nungkulan kaayaan darurat kalayan langkung tenang sareng teratur.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7412", "text": "Saha anu teu resep sasapedahan, olahraga ieu mineng janten pilihan kanggo olahraga lantaran gaduh seeur mangpaat kasehatan, tapi ngalakukeunna janten hal anu pikaresepeun lantaran urang tiasa ngaduruk kalori sabari diuk. Tapi olahraga ieu oge tiasa janten olahraga anu ekstrim atau bahaya upami dilakukeun di gunung. Disebut bahaya lantaran sasapedahan di gunung biasana dilakukeun di jalan satapak anu nanjak jeung mudun di tengah gunung anu sisi-sisi na aya jurang. Olahraga ieu kedah dilakukeun nganggo teknik anu benten sareng sasapedahan biasa. Sapedah anu dianggo oge benten sareng sapedah anu urang anggo sapopoe sapertos sapeda tilep. Ngalakukeun olahraga ieu di Indonesia mah pikaresepeun lantaran Indonesia gaduh seeur gunung. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7043", "text": "Acara munggahan tos janten tradisi unggal taun kanggo masarakat di Indonesia, khususna urang Sunda. Biasana lamun tos dekeut waktosna sasih Romadon biasana para kulawargi ngempel teras emam sasarengan. Di Banten, tradisi ieu biasana dilaksanakeun ku nu boga imah ku cara ngajak sajumlah tatangga pikeun ngariung. Munggahan oge janten momen bebersih kanggo nyambut Romadon. Oge ngondang tokoh masarakat satempat, sapertos kiai atawa ustaz, maranehna ngariung, maca do’a kanggo anggota kulawarga anu geus maot. Di tempat sejen, biasana masarakat ziarah sabari ngabersihan kuburan anggota kulawargi. Maranehanana oge silih hampura sangkan puasana lancar. Tradisi ieu tos dilaksanakeun turun-tumurun. Munggahan hartina \"unggah\" atawa naek.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2374", "text": "Arca anu dianggap Roro Jongrang sabenerna mangrupa arca Déwi Durga. Ieu arca aya di aula utama candi Prambanan. Samentara éta, 999 candi can réngsé kiwari katelah Candi Sewu. Candi Prambanan nyaéta candi Hindu panggedéna di Indonésia. Wangunan candi Prambanan terus dironjatkeun sacara périodik ku raja-raja Medang Mataram di handap, saperti Prabu Daksa jeung Prabu Tulodong. Pangwangunan komplek candi Prambanan ogé dilegaan ku ngawangun ratusan candi tambahan di sabudeureun candi utama. Candi ieu ogé dijadikeun tempat pikeun sagala rupa upacara penting karajaan Mataram Kuna ieu. Ratusan taun kaliwat, candi Prambanan kapanggih deui ku CA. Lons warga Walanda taun 1733. Kaayaan candi ieu ruksak, alatan bencana alam jeung perang. Saterusna dina mangsa penjajahan Inggris di Jawa, Thomas Stamford Raffles maréntahkeun pikeun nalungtik wangunan candi Prambanan, tapi panalungtikanana teu serius, balukarna rampog tina ukiran batu candi. eta mangrupakeun fakta to carita roro jongrang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "29", "text": "Keur jaman Covid-19, loba nu nyieun alternatif minuman jang ngalawan Covid-19. Minuman ieu fungsina ngameh awak tetep prima lamun keur aktivitas jeung teu babari kaserang panyakit atawa virus Covid-19. aya sababaraha menu minuman seger nu lolobana make bahan alami. Bahan alami ieu, bisa nyegah virus jeung bisa nambah daya tahan awak. Sababaha menu ieu babari pisan dijieunna. Misalna Teh Koneng, Koneng mibogaan senyawa nu disebut kurkumin nu kabukti bisa ningkatkeun kekebalan awak. Jang nyieun minuman ieu ngan perlu nyiapkeun koneng madu jeung lemon. Mimiti, godog koneng ku cari salila 15 nepi 20 menit. Tuluy tambahkeun lemon jeung madu sacukupna. Diinumna keur panas-panas, ngameh haneut kana tikoro jeung awak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6742", "text": "Sakali ditutup waktos pandemi covid, Dusun Bambu Lembang tos mulai dibuka deui, tapi aya sababaraha aturan anu tos robah. Upami bade datang ka dieu urang kedah mesen dahareun di salah sahiji resto ana aya di dieu, janten teu tiasa lebet kanggo jalan-jalan hungkul. Saprak dibuka taun 2014, tempat ieu langsung seeur didatangan lantaran seeur kagiatan anu tiasa dipilih. Aya resto, aya villa, aya tempat kemping, jeung aya taman anu luas. Pasar Khatulistiwa anu aya di Dusun Bambu ayeuna toba janten Galeri Flora Indonesia, seeur pisan tutumbuhan anu diical di dieu. Matak hayu urang ngaramekeun tempat wisata lokal Indonesia, supados langkung seeur jalmi anu kenal ka tutumbuhan anu aya di dieu. Leuwih sae deui upami urang tiasa meser tutumbuhan di dieu kanggo dipelak di bumi nyalira.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4277", "text": "Kadahareun has anu unik di indonesia aya nu ngarana rujak cingur, dahareun tradisisional has ti surabaya jawa timur. Rujak cingur mangrupa salah sahiji kadaharan tradisional nu gampang kapanggih di Jawa Timur, utamana di kota asal Surabaya. Dina basa Jawa, kecap cingur hartina \"sungut\", ieu nujul kana irisan sungut sapi atawa moncong anu digodog jeung dicampurkeun kana piring. Rujak cingur aya dua macem,aya nu buah atawa sayur biasana di jieun ku irisan sababaraha rupa buah saperti bonteng, sambel, ubi, pelem ngora, nanas, kedondong, tuluy ditambihan ku béas, tahu, témpé, bendoyo. , cingur, jeung sayuran saperti tauge/ tauge, kangkung, jeung kacang panjang. Sakabeh bahan dicampurkeun jeung saos atawa bumbu nu dijieun tina olahan udang. Kabéh saos/bumbu diaduk ku cara diuleg, tuluy dibubuy cingur. Lamun tanpa cingur, ieu rujak disebut rujak ulek. Kadaharan ieu disebut rujak cingur sabab bungbu olahan anu dipaké nyaéta terasi jeung cingur irisan. Ieu anu ngabédakeunana jeung kadaharan rujak biasa, anu biasana henteu maké cingur atawa biwir sapi. Rasa enak jeung unik tina rujak cingur ieu nu jadi daya tarik batur nyobaan nepika akhirna loba nu resepeun. Urang kudu terus ngalestarikan dahareu tradisonal ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3869", "text": "Bakso mangrupikeun kadaharan anu terkenal sareng seueur jalma anu resep ngalakukeunana. Bakso téh salawasna cocog pikeun dahar euweuh urusan naon cuaca. Boh hujan, boh panas, boh beurang boh peuting, bakso dipikaresep ku sakumna golongan, bakso ogé bisa didahar sakumaha kahayangna. Anjeun tiasa ngadahar bakso, bakso sayur, bakso mi koneng, bakso bihun atanapi bakso campuran.bakso ge bisa di racik saenak na bisa bening, sambal hungkul, kecap hungkul, saos hungkul artawa campurkeun kabeh. tapi keur kuring mah bakso nu paling nikmat nyaeta bakso nu make sambel hungkul sareng cuka sing loba bakso na di campur sadayana tapi teu make tauge. margi menurut abdi tope dina bakso lamun dicampur atah rasana kurang enak jeung rada bau. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1978", "text": "Kanggo inpormasi, Bandros mangrupikeun beus anu ngagaduhan fasilitas pikeun panumpangna. Fasilitas Beus Bandros nyaéta korsi panumpang jumlahna 23 nepi ka 24 urang. Sakumaha anu disebatkeun sateuacana, beus Bandros ngagaduhan jandéla tanpa kaca, janten anjeun tiasa ningali pamandangan di luar beus langkung jelas janten jeuteu aya janela ti bis na teh sewang-sewang. Suasana dina beus rada nyaman heuteu ngebut atawa ugal ugalan kos metro mini. Oh enya, salila perjalanan bakal dibaturan ku supir jeung pemandu wisata Bandros anu baris babagi carita ngeunaan tempat-tempat anu diliwatan di jalan. Ieu bakal ngajantenkeun kagiatan pariwisata anjeun langkung narik jeung langkung diberenyaho sajarah ti tempat-tempat nu kaliwatan ku bandros", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4498", "text": "Barbells atanapi dumbbells mangrupikeun alat latihan anu murah, fleksibel sareng gampang dianggo anu ngamungkinkeun anjeun ngalakukeun rupa-rupa latihan pikeun ningkatkeun kaséhatan anjeun. Barbel mangpaat pikeun ningkatkeun kaséhatan jantung, ngaduruk kalori, ngawangun otot atanapi ningkatkeun daya tahan otot. Tangtosna, ieu gumantung kana beurat barbell, rutinitas, jumlah pangulangan sareng laju dimana anjeun nganggo éta. Barbel beuratna hampang sareng bentukna sapertos hurup Romawi I. Anjeun tiasa mésér dumbbells tina beurat anu béda, mimitian ti beurat hampang 2KG, kanggo dianggo nalika latihan aérobik atanapi nalika nganggo treadmill atanapi sapédah stasioner. Barbells beurat beurat ngidinan Anjeun pikeun ngawangun otot. Ieu mangrupikeun kauntungan anu anjeun tiasa kéngingkeun tina latihan nganggo barbell", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9499", "text": "Film jadi salah sahiji refreshing kuring ti rutinitas pagawean. Film bisa mawa kuring ngabayangkeun hal-hal nu di luar sapopoe. Misalkan kuring lalajo film fantasi anu nyaritakeun dunia nu jauh ti sapopoe. Aya monster, penyihir, alien jeung sajabana. Unggal lalajo film fantasi, kuring ngabayangkeun jadi tokoh nu hirup di dunia fantasi eta, berjuang ngalawan musuh, ningkatkeun kakuatan jeung elmu nepika akhirna jadi pahlawan keur duniana. Kalawan kitu, kuring bisa jadi boga sumanget ayar keur ngajalanan sagala rupa nu aya di hirup kuring. Masalah pagawean, keluarga, hirup sapopoe jadi leuwih sumanget ngajalananna. Film jang kuring boga pangaruh kuat keur ngajalanan hirup leuwih hade deui unggal poena.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5394", "text": "Upacara melukat jadi salah sahiji trend kasehatan mental nu seueur dilakukeun ku para artis, contona Pevita Pearce. Anjeunna saprak aya wabah covid-19 janten ngarasa mentalna down, jeung pikiranna kalut sabab teu bisa ngajalankeun aktivitas jiga biasana. Anjeunna nyobian ngalaksanakeun upacara melukat nu diyakini bisa ngaleungitkeun aura negatif jeung bisa ngahadirkeun aura positif dina pikiran. Teu mikir panjang, Pevita Pearce tuluy terbang ka Bali jang ngiluan melukat. Anjeunna ngiluan melukat sorangan wae. Tujuanna nyaeta hoyong dipaparin hal positif jeung kajernihan pikiran. Beres upacara melukat, Pevita Pearce ngarasa leuwih hade ti samemehna, ngarasa pikiranna leuwih tenang jeung leuwih positif dina ngahadapi kaayaan ayeuna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6490", "text": "Dina ngajalani kahirupan sosial teh pasti we kedah ngabutuhkeun hidup bertetangga. Tah, dina ngajalani hirup bertetangga teh kudu nunjukeun sikap positif supaya bisa mawa hubungan hade jeung tatangga. Ulah nepi ka masing-masing, komo nepi ka silih teu patanya mah. Anggursih jaga hubungan baik jeung kulawarga supaya mun aya pangabutuh atawa aya nanaon teh pasti moal era jeung pasti aya nu nulungan. Komo jeung tatangga dipipireun imah mah kudu pisan dijaga hubungan baikna supaya bisa jadi gaganti duduluran, ulah nepi ka asing sabab bisi hese rek menta tulungna. Jadi, yuk jaga hubungan baik jeung tatangga supaya hirup silih rukun dina masyarakat!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5007", "text": "Kerang hejo jadi salah sahiji kadaharan laut anu biasa diiderkeun kamana-mana. Kerang hejo biasana hirup gogoyotan jeung baturna, nempel kana karang atawa tihang di laut. Kerang hejo warna kulitna hejo kolot semu hideung kana ujung na. Mun digodog, cangkangna sok ngabuka terus timbul jerona di salah sahiji cangkang. Daging kerang na aya di salah sahiji cangkang na. Warna daging na mun atah mah bodas, tapi mun tos asak mah warna na oren. Kerang hejo biasana dipasak make bumbu koneng. Biasa dijual make gorobag keliling harga sabungkusna teh kur lima rebu. Rasa kerang hejo teu pati hanyir sabab samemeh dipasak, digodog heula nepi ka tanek. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7473", "text": "Kanggo saha wae anu hoyong mulai nganggo kompor listrik lantaran leuwih ramah lingkungan, aya sababaraha cara ngarawat kompor listrik supados leuwih awet lantaran kompor listrik gampang kagores nepikeun peupeus lamun teu ati-ati makena. Make kompor listrik kedah mastikeun heula yen panci anu urang pake beresih, teu aya kokotor anu napel dina bujur panci lantaran lamun beunang kana kaca kompor bakal napel dina kompor. Cara ngaberesihan kompor listrik nyaeta nganggo kaen anu lembut sangkan teu ngagores kaca kompor, leuwih sae lamun urang nganggo kaen micofiber. Langkung sae lamun urang teu nganggo panci kanggo masak anu beurat teuing supados kaca kompoena teu peuepeus. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1961", "text": "Taman Bunga Nasional Jatinangor (Taman Jans) di Jatinangor, Sumedang baris jadi tujuan anyar di Jawa Barat. Geus jadi tempat wisata anyar. Hayu urang marios kumaha jalan tempat rekreasi anyar ieu. Lokasina di Désa Cileles, Kacamatan Jatinangor, Kabupatén Sumedang, padeukeut jeung lapangan golf BGG, jeung padeukeut jeung kampus Universitas Padjadjaran (Unpad). Rute ka Jans Park Pikeun ngahontal ieu taman kembang, ngan turutan jalan utama ka bumi kemah Kiarapayung . Sanggeus ngaliwatan gerbang A Unpad, katingali lokasi taman aya di sisi kénca jalan. nu ngajadikeun lokasi Taman Bunga Nasional Jatinganor heunteu jauh ti jalan tol nu aya nyaeta cisumdawu jeung cileuyi bandung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "421", "text": "Nabi Nuh kasohor ku carita kapal nu nyorang banjir gede. Nabi Nuh mangrupakeun nabi nu katilu nu kudu diimani saenggeus Nabi Adam jeung Nabi Idris. Nabi Nuh diutus ku Allah SWT jang umajak ajaran Allah ka umat Bani Rasib nu nyembah berhala mangrupa patung-patung. Ku kasabaran, Nabi Nuh mimiti dakwah ka umatna. Anjeunna ngajarkeun kanggo nyembah Allah, ninggalkeun maksiat, jeung ngajieun kasaean. Tapi lainna nurut, kaum Nabi Nuh tetep weh teu percaya kana ajaran jeung peringatan nu didugikeun. Kaum Bani Rasim komo deui teu percaya lamun Nabi Nuh teh mangrupakeun rosul. Tapi Nabi Nuh teu nyerah. Anjeunna tetep ngalanjutkeun dakwah sanajan narima loba hinaan. Tiap Nabi Nuh dakwah pasti maranehna ngasupkeun curuk kana ceuli jeung nutup beungeutna ku pakean anu tandana nolak.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "520", "text": "Bubuy bulan mangrupakeun lagu daerah Jawa Barat nu diciptakeun ku Benny Corda, nyaeta musisi jeung nu ngajieun lagu pas taun 1950-an. Lagu Bubuy Bulan ieu dipopulerkeun mimiti teh ku istrina Pak Benny, nyaeta Ibu Nina Kirana, tuluy dijieun ulang deui pas taun 1980-an ku Ibu Nining Meida salaku salah sahiji track Pop Sunda. Lagu Bubuy Bulan mimiti dinyanyikeun di studio rekaman Lokananta di Solo Jawa Tengah. Bubuy Bulan mangrupakeun hiji lagu nu ngagambarkeun perasaan hiji awewe nu keur mikabogoh jeung kagum ka hiji jelema. Lirik lagu Bubuy Bulan mangrupakeun pantun Bahasa Sunda nu jumlahna opat baris jeung sampiran oge eusi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5471", "text": "Saha nu teu wawuh kana kadaharan amis khas Sumedang nu geus kawentar kamana-mana, nya, hui cilembu. Hui cilembu gaduh perbedaan jeung hui sejenna nyaeta rasana leuwih legit jeung teksturna leuwih lembut. Tah, cara ngadamel hui bakar cilembu teh bisa dilakukeun oge di imah. Mimiti, kumbah sing beresih hui cilembu. Geus kitu, asupkeun kana oven tuluy tutup sing rapet. Proses ovenna teh sakira sajam. Sakira sapuluh menit sakali eta hui teh kudu di bolak-balik supaya asakna rata. Mun tos asak, sayogikeun hui cilembu jeung teh manis atawa kopi. Beuh nikmat pisan dituangna teh. Didamelna ge babari deuih, tiasa diturutan di bumi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2248", "text": "Ayeuna, generasi Dalai Lama parantos dugi ka Dalai Lama ka-14. Dina hal ieu, Tenzin Gyatso nyaéta Dalai Lama ka-14. Kawas Dalai Lamas saméméhna, anu ogé dipikawanoh salaku inohong wijaksana jeung inspirational. Dalai Lama lain ngan saukur panutan dina urusan agama, tapi geus jadi rujukan pikeun loba urusan politik jeung kahirupan sosial lianna. Sanajan anjeunna pamingpin Budha, anjeunna ogé dihormat ku non-Buddha. Hal ieu ngajadikeun nami Dalai Lama sareng naséhatna sering ditéang sareng dianggo salaku rujukan pikeun palajaran kahirupan. Dalai Lama sering ngabagi pangaweruh sareng kecap hikmah dina sababaraha waktos. Anjeunna ogé masihan conto tindakan wijaksana tina tindakan nyata anu dilakukeun, salah sahijina nyaéta kamanusaan sareng toleransi salaku mahluk hirup.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9426", "text": "Kompor induksi mangrupikeun alat anu dianggo pikeun masak nganggo magnet sareng listrik salaku sumber panas. Kompor ieu diwangun ku panel anu didamel tina bahan magnet, sapertos beusi, anu disusun rapih dina meja. Nalika nempatkeun teplon atanapi panci di luhur panel magnet, proses induksi elektromagnetik bakal lumangsung anu ngahasilkeun panas. Panasna bakal langsung ka panci anu aya di luhur panel, ku kituna tuangeun di jerona bakal gancang panasna. Kompor induksi ngagaduhan sababaraha kaunggulan dibandingkeun kompor gas atanapi kompor listrik biasa. Kaunggulan-kaunggulan ieu diantarana, kahiji, langkung aman kumargi teu aya seuneu atanapi panas anu katingali, kompor induksi langkung aman tibatan kompor gas atanapi listrik biasa. Kadua, langkung gancang kusabab kompor induksi tiasa ngahasilkeun panas gancang, janten tuangeun tiasa dipanggang atanapi dipanggang gancang oge. Katilu gampang dibersihkeun sabab teu aya seuneu atanapi panas anu katingali, sesa-sesa dahareun atanapi minyak moal jadi kaduruk sareng nempel dina permukaan kompor sapertos dina kompor gas atanapi listrik biasa. Hal ieu ngajadikeun kompor induksi gampang pikeun ngabersihanna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8261", "text": "Saatos milih kaluar sakola sateuacan lulus SMA, Susi Pudjiastuti ngamimitian usahana salaku padagang baju sareng ranjang. Sanggeus ningali potensi wewengkon tempat cicingna, Pangandaran, salaku produser lauk, Susi saterusna dijadikeun kasempetan bisnis jeung pindah ka perikanan. Kalayan modal ngan Rp 750.000 tina ngajual perhiasanna, anjeunna ngamimitian ngagaleuh lauk tina lelang sareng dipasarkeun ka sababaraha restoran. Sanggeus macet, usaha Susi ahirna junun ngadominasi pasar lelang ikan di Pangandaran malahan tembus kana ekspor lauk jeung lobster. Usaha maskapai oge dimimitian tina usaha perikanan. Pikeun ngatasi masalah pangiriman lauk lambat ku darat atanapi laut, Susi ngagaleuh kapal terbang ti pinjaman bank pikeun ngangkut hasil lautna, anu engkena janten armada maskapai Susi Air anu ngalayanan rute darat sareng charter.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7094", "text": "Salah sahiji anjuran umat Islam dina Idul Fitri nyaeta ngalaksanakeun solat Idul Fitri. Hukum solat ieu sunnah muakkadah (kacida dianjurkeun) saprak disyarikeun dina taun kadua hijriah. Kanjeng Nabi salawasna ngalaksanakeunana dugi ka wafat sareng diteruskeun ku umatna dugi ka ayeuna. Tata cara pikeun sholat Idul Fitri, nyeta anu kahiji niat disarengan ku takbiratul ihrom. Kadua maca doa iftitah. Katilu ngucap takbir salila tujuh kali. Kaopat maca surat Al-Fatihah, dianjurkeun oge maca Surat Al-Ghasiyah. Kalima dilajengkeun ku ruku, sujud, diuk di antara dua sujud, nepikeun nangtung deui . Anu kagenep nyaeta rolaat kadua urang ngucap takbir deui saloba lima kali, teras maca Al-Fatihah jeung surat teras lajeng nepikeun salam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4210", "text": "Lamun keur leutik baheula urang lamun geus peuting hayang sare sok di dongengan heula boh ku indung urang atawa bibi, biasana samemeh sare ngagoler kana kasur di titah milih heula hayang carita dongeng anu mana. Uraang mimitina teu apal yen anu di cartakeun teh carita rahayat, carita anu jadi kapercayaan atawa minos dina hiji wewengkon di indonesia, urang salku budak leutik can apal nanaon rasa na resep bungah pisan lamun di dongengkeun samemeh sare. Carita rahayat karesup urang basa harita nyaeta, carita cindelaras, resep pisan lamun erek sare tuluy ngabayangkeun yen aya hayam jago anu sakti tpi karunya oge ka cindelaras jeung indungna anu kudu mangkat di usir tina istana. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4100", "text": "Nabi Nuh di lahirkeun keur umatna masih dina kaayaan nyembah berhala-berhala anu bentukna arca anu ngaranna Wadd, jeung Suda, Yatuq jeung Nasr. Nabi Nuh ngajakan umatna pikeun nyaksian kaagungan Allah ngaliwatan tatangkalan, sasatoan jeung cai anu ngocor, robahna beurang jeung peuting jeung hal-hal anu aya di bumi mangrupa bukti kasatunggalan Allah. Nabi Nuh ogé nyatakeun yén unggal amalan anu dilakukeun ku manusa bakal aya ganjaran ti Allah tapi umatna teteup keukeuh nlak ajakan nabi Nuh. Nepika datang peringatan ti Allah ka Nabi Nuh ngeunaan bakal aya banjir badag. Kalayan bantuan sajumlah jalma anu narima uleman tauhid, Nabi Nuh nyiptakeun bahtera anu kacida gedéna, tapi umatna tetepp teu paduli basa Nabi Nuh ngajieun kapal umatna kalahka ngahina nepi ka azab Allah bener- bener datang ngalelepkeun umat umat anu teu daek milu ka ajaran nabi Nuh. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4510", "text": "Sangking pentingna ekskul keur barudak, justru loba barudak anu akhirna nimukeun jeung yakin kana bakat na tina ekskul ieu, misalna anu bakat di dunia olahraga, lamun sakola sacara umum moal bisa saterusna nipungkeun bakat jeung peluang dina olah raga. Da sakola pasti lewih di fokuskeun kana mata pelajaran sacara umum sasuai kurikulum. Sabenerna sakola bisa ngafasilitasan ka budak anu ges yakin jeung jago di olahraga, tapi masalahna teu kabeh budak langsung sadar lamun bakat na di olahraga. Ieu bukti peran ekskul anu sabenerna penting nyaeta mantuan budak ameh bisa manggihan passion atawa bakat jeung jati dirina nepi ka budak yakin ieu anu di pikahayang tuluy ka yakin rek ngalanjutkeun keur masa depan na.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "195", "text": "Salian nonton film, urang oge hobi traveling atawa jalan-jalan. Teu kudu jauh nu penting aya suasana anyar. Traveling bisa ngurangan stres ku ngadatangan tempat anyar jadina pikiran anu saacana dipinuhan ku tekanan bisa leungit ku soranganna. Traveling oge bisa nambahan relasi, geus aya sababaraha babaturan urang anu kenalna lewat traveling, mimiti na ngobrol tuluy tukeuran kontak, nepika bisa traveling babarengan. Sabab kitu, traveling oge bisa ngasah kamampuan komunikasi atawa ngobrol. Di tempat anyar nu karek didatangan, butuh oge komunikasi jeung jelema loba. Misalna pas nanyakeun arah atawa hal lain nu teu apal di tempat anyar. Mimitina emang bakal canggung, tapi kudu dianggap keur latihan wae. Inget oge, ngalakukeunna kudu santai jeung kudu sopan santun pas ngobrol.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7667", "text": "Hiji poe abdi gaduh rencana kanggo ngaical hape. Basa eta abdi nuju periyogi pisan artos, janten abdi ngaical hape eta di salah sahiji aplikasi online. Teu lila, aya jalmi anu nawis hape abdi, manehna nawis ku pangaos anu teu pati jauh ti pangaos anu abdi pasang dina aplikasi, tapi anehna manehna hoyong hape eta dikirim ka Bekasi langsung, teu nganggo aplikasi pihak katilu sapertos Shopee atawa Tokopedia anu leuwih aman. Pas abdi bade ngirim barang eta, manehna kanyahoan rek nipu kuring lantaran pas manehna beja yen manehna tos ngirim duitna ka rekening, pas abdi cek teu aya duitna. Untungna abdi teu janten ngirim eta barang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6740", "text": "Mini 3D Jelekong Bandung, Kampung Lukis Jelekong di Baleendah nyuguhkeun wisata lukisan dina tembok anu teu ngan saukur tiasa ditingal hungkul, tapi oge tiasa janten obyek popotoan. Lukisan di dieu lalucu jeung alus, tapi pangaosna murah pisan, ngan sapuluh rebu. Barudak sakola langkung mirah deui, ngan lima rebu. Biaya ongkos eta teh tos kaasup jeung minuman. Tempat ieu teu jauh ti Padepokan Girihaja. Kanggo saha wae anu hoyong diajar cara ngalukis lukisan tilu dimensi, di dieu oge aya kelasna, cekap mayar sapuluh rebu. Tempat ieu buka ti tabuh salapan enjing nepi keun tabuh sabelas weungi. Upami aya patarosan ngeunaan tempat ieu, urang tiasa nelepon ka 0856-9770-6840.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6709", "text": "Urang pasti tos teu asing ka Cumi. Cumi benten jeung balakutak, cumi mah asalna ti laut. Dina sirahna cumi gaduh sapuluh tentakel anu ukuran na beda, dalapan tentakel ukuran na pondok, tapi anu dua deui ukuran na panjang. Dua anu panjang eta disebutna tentakel. Tentakel ieu tiasa numbuh deui upami tos pegas, sami siga buntut cakcak. Dalapan tentakel cumi gaduh panyedot anu fungsina tiasa dianggo newak musuh. Cumi-cumi oge gaduh paruh anu nyumput dina baham na anu tiasa dipake maehan musuh. Anu unikna deui, cumi gaduh tilu hate, padahal manusia mah ngan gaduh hiji. Jantung cumi gaduh warna anu kahejo-hejoan", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5460", "text": "Tips supaya urang tiasa ningali senjata tradisional di Museum Prabu Geusan Ulun. Nu kahiji nyaeta datang langsung ka tempatna. Urang bisa datang langsung ka tempatna tuluy meuli tiket jang kunjungan ka museum. Beres meuli tiket, urang menta we langsung diarahkeun ka bangunan nu nyimpen senjata tradisional. Nu kadua nyaeta urang ngontak heula pengurus museumna supaya teu bentrok jeung waktu tutupna museum. Tuluy mun geus ditangtukeun watuna, urang bisa langsung angkat ka museum. Aya hari tertentu nu ngajadikeun bangunan tempat senjata tradisionalna di tutup, misalkeun pas pemandian senjata tradisional, jeug sajabana. Ku kituna, leuwih hade mun datang kadieu ngontek heula penjaga atau pengurusna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5438", "text": "Saha nu teu wawuh ka lagu nu populer pisan di kalangan barudak, nu sering pisan dinyanyikeun mun keur arulin. Yap, leres pisan, lagu Ampar-Ampar Pisang. Lagu ieu mangrupakeun lagu daerah Kalimantan Selatan nu kasohor kamana-mana. Lau ieu diciptakeun ku Hamiedan AC, salah sahiji maestro di daerahna. Lagu ieu ditulis ngangge bahasa Banjar. Lagu ieu nyaritakeun proses cau dijieun kue rimpi, ku cara diampar-ampar heula tuluy dipoe. Hampir kabeh barudak dimana-mana apal kana lagu ieu sabab lirikna nu babari diinget terus ritme na nu mantak semangat. Baruda biasana ngalantunkeun ieu lagu mun keur arulin bari make gerakan leungeun nu di keprokeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "949", "text": "Neundeun mesin cuci alusna mah ulah adek teuing kana tembok, tapi nendeun mesin cuci kudu dibere jarak jeung tembok. Jadi bagian kenca, katuhu, jeung ditukangna bodi mesin cuci ulah nempel jeung tembok. Kudu dipastikeun mun nendeun mesin cuci bere jarak sakitar lima sentimeter. Ieu gunana meh bisa mere ruang udara di sakitar mesin cuci meh bodi mesin cuci teu beueus. Lamun bodi mesin cuci beueus, ieu bakal nyebabkeun komponen nu aya dina mesin cuci babari karatan. Oge tujuanna ngarah mesin cuci teu gancang panas ku sabab euweuh ruang udara. Salian ti mere jarak, aya alusna oge mere alat tambahan di handapeun mesin cuci, ngarah leuwih jangkung, ieu gunana ngameh mesin cuci kahindar tina cai nu aya dina lantai.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6506", "text": "Bisana nu ngaranna babaturan mah pasti pernah teu akur, salah sahijina sabab pasalia paham. Misalna mun boga babaturan anu sipatna teu sarua jeung urang, babarian kahulag, urangna kudu ngartikeun. Ulah nepi ka saruana, sabab babaturan mah pasti butuh wae jeung pasti sono wae da geus kaiket kemistrina. Mantak, urang kudu ngelehan, ulah nepi ka saruana, komo heuras hulu mah. Dina hubungan babaturan mah sagala na ge kudu diwajarkeun, sabab babaturan teh hiji-hijina nu bisa ngartikeun urang dina sagala kondisi. Mantak, demi ngajaga hubungan baik jeing babaturan, yuk biasakeun silih ngartikeun, ulah hayang dingartikeun hungkul! Jalin persahabatan jeung jalma nu tepat!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5508", "text": "Saha nu teu wawuh kana pasakan nu namina rendang. Hampir sadaya masyarakat resep pisan kana rendang sabab rasana nu ngeunah jeung khas. Rendang nyaeta tuangeun khas Minangkabau, Padang. Rendang nyaeta daging sapi nu dikeureut jeing diolah make rempah-rempah khas Padang. Rasa rendang boga khasan sorangan sabab dina ngolahna teh teu make uyah, ngan make sari asin tina santen kalapana. Biasana rendang dipasak jeung kentang laleutik. Rendang aya di unggal daerah jeung bisa dipanggihan na di warung nasi padang. Tah, rendang ieu teh dinobatkeun jadi pasakan pangeunahna nomor hiji di dunia. Wah, prestasi pisan yeuh kekayaan rempah-rempah dina kuliner Indonesia teh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2802", "text": "Kalayan seueur varian produk oven listrik anu aya di pasar ayeuna, kamungkinan konsumen, kalebet anjeun, bakal rada bingung ngeunaan milih oven listrik mana anu pas pikeun anjeun. Pikeun ngagampangkeun anjeun pikeun nangtukeun mana anu paling diperyogikeun, ieu sababaraha tip pikeun milih oven listrik watt low anu saé.\r\n1. Kakuatan listrik nu rendah\r\nSalah sahiji anu ngahalangan mésér oven listrik nyaéta kakuatanana anu luhur. Nyatana, masih seueur rumah tangga anu ngagunakeun kakuatan 1300 watt. Janten, upami bumi anjeun ogé nganggo listrik 1300 watt, anjeun kedah langkung ati-ati nalika milih oven.\r\n2. kapasitas badag\r\nMibanda oven kapasitas badag leuwih hade tinimbang ngabogaan kapasitas leutik. Kabutuhan bisa ngarobah kana waktu. Lamun nilik kana perluna make oven anu biasana keur nyieun kueh, sahenteuna kudu oven anu bisa nyocogkeun loyang 30 x 30 cm. Kapasitas ieu cukup pikeun dianggo pikeun manggang hayam sadayana.\r\n3. Fitur kontrol suhu\r\nSalah sahiji fitur utama oven listrik anu henteu aya dina oven tank nyaéta fitur kontrol suhu. Di sisi katuhu atawa kénca oven anjeun biasana bisa manggihan sababaraha kenop kontrol, salah sahijina pikeun nyaluyukeun suhu.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1610", "text": "Mun urang melak tangkal, urang oge bakal meunangkeun dampak nu positif tina lingkungan. Contona wae urang bisa kahindar tinu banjir. Lantaran banjir teh bencana nu bisa nyebabkeun karugian, mulai ruksak infrastruktur oge lingkungan. Melak tangkal bisa ngurangan resiko banjir. Ku ayana tutuwuhan siga tangkal bakal ngalambatkeun laju aliran cai jeung ngurangan kakuatan badai jadina ngurangan resiko ngaluapna banjir oge erosi. Ku sabab akar tangkal nyieun saluran leutik di jero taneuh pas maranehna jadi, nyieun cai hujan babari kaserep ku taneuh. Leuwih loba cai nu kaserep ku taneuh, bakal ngurangan volume caina oge jadina teh urang bisa kahindar tina bahaya banjir.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2671", "text": "Janten pikeun anjeun anu hoyong nyobian ténis, ieu mangrupikeun 5 pedoman sederhana upami anjeun hoyong mésér rakét. Dengekeun nepi ka tungtungna!\r\n1. Milih hiji rakét kalawan beurat sarta aréa permukaan nurutkeun abilities Anjeun\r\nSacara umum, hiji rakét ténis beuratna kira-kira 300 gram. Tapi ayeuna, sanggeus ngembangkeun teknologi, beurat rakét ténis bisa diréduksi jadi 270 gram ngagunakeun bahan béda. Janten, upami anjeun pemula, tangtos anjeun disarankan ngagunakeun rékét anu beurat supados anjeun tiasa adaptasi sareng nguatkeun otot leungeun anjeun.\r\n2. Pariksa ketebalan pigura atawa pigura dina raket\r\nSaatos beurat sareng aréa permukaan rakét, hiji deui anu kedah dipertimbangkeun nyaéta ketebalan pigura atanapi pigura rakét. Kandel pigura rakét ténis sorangan dibagi jadi tilu, nya éta kandel, sedeng jeung ipis, nu masing-masing boga kaunggulan sorangan.\r\nPigura ipis boga kaunggulan ngadalikeun bal, sedengkeun pigura sedeng nu paling stabil sarta saimbang lamun dipaké, sarta pigura kandel boga kakuatan nganiaya kuat. Tangtu, pikeun beginners dewasa, pigura ketebalan sedeng bisa jadi pilihan kahiji saméméh meuli pigura kandel ku kituna otot leungeun bisa adaptasi leres.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4113", "text": "Fitnah salah sahiji dosa anu gede pisan tapi sering pisan urang tigal atawa alaman di kahirupan nyata urag sarerea. Fitnah teh salah sahiji sifat anu paling di bencI ku Allah SWT. Fitnah bisa ngajieun perpecahan nepi ka perang. Fitnah teh dampakna gede pisan dina kahidupan, bisa ngarusak hirup batur, ngarusak masa depan jeung sagalana. Adu domba oge awalna ti fitnah keji, matakna Allah SWT ngalaknat pisan jelema nu sok fitnah, nepi ka aya basa \"fitnah lebih kejam dari pembunuhan\" Tapi di kahirupan nyata, teu jauh jauh tatangga sok aya wae nu fitnah fitnahan, fitah dasarna biasana tina sirik dengki. misalna lamun aya tatangga nu meuli mobil anyar terus tatangga na sirik, akhirna ngomong ka tatangga sejenaeta mobil meunang ti korupsi eta teh jadi fitnah. Fitnheta teh anu ngaruksak hubungan antar tatangga jadi ribut.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5337", "text": "Bilal bin Rabbah nyaeta salah saorang sahabat Nabi Muhammad SAW nu mimiti ngumandangkeun adzan. Anjeunna dilahirkeun di Mekkah, Hijaz, 43 taun sameh hijrah Nabi. Bapakna mangrupakeun budak Arab ti Bani Jumah. Ibuna ngagaduhan nami Hamamah, mantan putri Abyssina, salah sahiji karajaan di Afrika Timur Laut. Hamamah ditangkap pas peristiwa taun gajah, tuluy dijadikeun budak. Bilal bin Rabbah dilahirkeun jadi saorang budakUmayyah bin Khalaf. Anjeunna terkenal patuh jeung taat ka dununganna. Hiji waktu, anjeunna ningali dakwah Rasulullah, tuluy tertarik jang lebet Islam. Saprak lebet Islam, anjeunna disiksa ku dunungan nana. Teu lami, Abu Bakar As-Sidiq meuli anjeunna ka Umayyah bin Khalaf. Berkat eta anjeunna dibebaskeun tina perbudakan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7367", "text": "Salian parabot lengkep jeung sagala rupa pilihan beurat, laun urang olah raga di gim atawa pusa kabugaran, urang oge tiasa nyewa jasa palatih pribadi pikeun ngajarkeun olahraga make teknik bener. Ku cara eta, urang tiasa meunang kauntungan optimal tina angkat beurat bari ngahindarkeun resiko cidera nalika latihan. Aya seueur mangpaat kasehatan anu bakal dirasakeun nalika angkat beurat, diantarana nyaeta awak janten leuwih kuat. Latihan ngangkat beurat tiasa ngabantosan urang janten langkung kuat sareng langkung seeur tanaga. Hal ieu ngamungkinkeun urang ngalaksanakeun tugas sapopoe langkung gampang sareng henteu gapang cape. Contona di antarana mangku budak murangkalih, ngaganti galon cai mineral, naek ka handap tangga, lumpat, beberesih imah jeung nu sejenna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9405", "text": "Lamun baraya nuju milarian tempat ngopi anu cocok keur niis jeung suasanana anu tenang, aya hiji ceffee shop anu miboga suasana tenang tur kopina anu nikmat, nyaeta Melanger. Upami baraya bade nganjang ka ieu tempat, baraya tiasa nganggo Damri jurusan Jatinangor Dipatiukur. Mimiti, Baraya bisa megat Damri ieu di Gerbang Tol Moch. Toha teras wae naek Damri anu jurusan ka Dipatiukur atawa kasohorna disebut DU. Salajengna, Baraya kantun ngantosan ieu bus dugi ka Jalan Dipatiukur. Teras Baraya tiasa turun di payuneun travel Jackal Holiday. Ti dinya, Baraya kantun mapah kira-kira 300 meter ti dinya ka arah taman Panata Yudha. Sadugina didinya, Baraya tiasa ningali plang beureum anu aya aksara Melanger. Teras we lebet ka dinya, Baraya tos dugi ka tempat anu dituju. Tinggal ngopi sareng niis, ngarereuhkeun kacape dina kasibukan sapopoe.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3932", "text": "Mangpaat kepiting atawa yuyu atawa keuyeup pikeun kaséhatan teu perlu diragukeun. dahareun laut anu hiji ieu ngandung rupa-rupa gizi anu penting anu dibutuhkeun ku awak. Leuwih ti éta, rasana ngeunah tur cocog pikeun diolah jadi rupa-rupa masakan, aya kepiting saus tiram, kepiting saos padang nepi ka kepiting bakar. Kepting atawa keuyeup teu ngan bisa di jieun dahareun biasa tapi bisa oge di olah jadi dahareun nu bisa tahan lila nyaeta crabstick .Sacara umum, keuyeup kaasup kana jinis kadaharan ti laut anu rendah merkuri. Keuyeup ogé luhur asam lemak omega-3 anu fungsina pikeun ngajaga otak, jantung sareng métabolisme anu séhat. Manfaat kepiting diantara na Membangun dan memelihara otot-otot tubuh, Mencegah anemia, Menjaga kesehatan tulang, Menjaga fungsi otak, Menjaga kesehatan jantung. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4956", "text": "Abdi paling resep mun jajan inuman es kalapa ngora. Es kalapa ngora beda jeung kalapa murni. Kalapa murni mah teu digulaan, mun es kalapa ngora mah digulaan. Biasana ngangge gula beureum atawa gula bodas. Mun make gula beureum, es kalapa ngorana rubah warnai caina jadi semu cokelat. Mun make gula bodas, cai kalapa ngorana warnana bodas jiga susu. Rek make gula beureum atawa gula bodas, angger we luhurna disusuan. Tuluy es kalapa ngora na teh sok make serutan kalapa na. Jadi dina gelas teh sok kataringali serutan kalapa nu paranjang. Mun ayeuna mah kadang es kalapa teh sok dicampuran ku jeruk atawa buah naga. Mun make buah naga mah warna na sok jadi semu beureum atawa kayas sabab kawarnaan ti buah naga na. Mun make jeruk warna na sok oren pias, angger lolobana mah warna bodas.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4513", "text": "Futsal mangrupa salah sahiji olah raga nu pang populerna di kalangan barudak, hususna budak lalaki ti kiwari, sabab olahraga ieu mangrupa turunan tina maén bal tapi pamaénna leuwih saeutik sarta wewengkon lapang leuwih leutik. Di Sakola SMP atawa SMA ekstrakurikuler futsal geus cukup populér, biasana leuwih ti 50 siswa geus milu kana ieu ekstrakurikuler. Biasana Latihan rutin dilaksanakeun saban Jumaah-Saptu soré balk sakola anu di bimbing ku pembina na pikeun pelatih permainan jeung strategina. Kagiatan ekstrakurikuler futsal dilaksanakeun kalawan tujuan pikeun méré tempat pikeun siswa pikeun nyalurkeun hobi sarta nepikeun sipat-sipat positif ka siswa, nya éta sportivitas sarta pikeun ngahasilkeun atlét anyar anu pinunjul di tingkat lokal, nasional jeung internasional.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7646", "text": "Lantaran gaduh artos leuwih jeung hoyong dijadikeun modal usaha, abdi mutuskeun kanggo ngaical pulsa. Abdi ngaical pulsa lantaran pasti bakal seeur anu meser jeung loba nu butuh. Sadaya tatanggi dekeut abdi meser pulsa ka abdi. Rerencangan oge seeur anu meser pulsa jeung kuota ka abdi. Salila abdi ngical pulsa abdi oge kantos ngalaman rugi lantaran seeur anu nganjuk, tapi kadieunakeun abdi ngadamel aturan kanggo mayar harita keneh pas pulsana geus nepi supados teu aya utang. Abdi ngahaja teu nyandak bati gede teuing tina ngical pulsa ieu nu penting mah seeur heula anu meser pulsa ka abdi jeung janten tukang pulsa anu jujur. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8832", "text": "Aya sababaraha kauntungan tina latihan lantai. Kahiji, awak jadi leuwih fléksibel. Kalayan gerakan senam lantai anu ngabengkokkeun sareng mantengkeun sendi sareng otot awak, awak bakal langkung fleksibel sahingga tiasa ngajaga awak tina tatu otot. Kadua, tulang jadi kuat, sabab unggal olahraga bisa ngajaga massa tulang. Katilu, kakuatan otot urang ngaronjat, sabab latihan lantai ngalibetkeun sakabéh bagian awak jeung gerakan ieu bakal nyieun otot ngakuan beban nurutkeun nu bagian otot awak gawéna pisan. Kaopat, résiko ngembang panyakit ngirangan. Ku ngalih pisan tina latihan lantai, anjeun tiasa ngirangan résiko gering sabab awak anjeun janten langkung séhat. Awak anu séhat bakal langkung gampang ngalawan panyakit sareng janten langkung kuat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "986", "text": "Google Assistant mangrupakeun software asisten virtual nu dimekarkeun ku Google. Asisten virtual ieu oge aya di smartphone Android nu gunana jang mantuan urang ngaoperasikeun ponsel ngaliwatan sora. Google Assistant bisa diaktifkeun ku sora \"Ok Google\", tuluy ku parentah nu dihayangkeun ku urang. Misalna wae parentang jang ngalakukeun panggilan, ngirim pesan, mariksa cuaca, ngontrol musik, nepikeun ka mariksa status penerbangan nu dipiboga ku urang. Cara cek status penerbangan nu geus dipesen bisa ngaliwatan Google Asisstant. Nu kahiji buka heula aplikasina, tuluy pilih opsi mikrofon jang ngalakukeun parentah sora. Nu kadua ucapkeun Ok Google, iraha penerbangan urang ka Jakarta, misalna. Engkena halaman bakal nampilkeun informasi detail ngeunaan tanggal, waktu, tujuan, jeung rute.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7970", "text": "Lamun numpak angkot, abdi paling resep calik di hareup, di sabeulah sopir. Komo lamun kondisi angkotna keur seeur panumpang, pasti abdi moal seseledek jeung panumpang anu sanesna. Tapi calik di saebulah sopir oge tangtu aya kakiranganna nyaeta lamun sopirna nuju ngaroko, pasti bakal beunang haseup roko lantaran kabawa ku angin, masalahna mah rata-rata sopir angkot pasti muka jandelana, janten haseupna pasti beunang panumpang anu calik di sabeulahna, komo deui lamun di angkot bagian tukang geus pinuh pisan biasana sopir oge masih keneh aya nu sok nyandak panumpang teras dititah diuk di hareup, janten di korsi hareup tiluan heheurinan sareng sopir. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4923", "text": "Zaman ayeuna mah kadaharan anu biasa dibareuli teh nyaeta seblak. Seblak nyaeta kadaharan anu eusina rupa-rupa kurupuk jeung make bumbu cikur. Baheula mah seblak teh kur tiasa tuang di tempat. Ayeuna mah seblak teh tos aya dina bungkus instan nu bisa diasakan ku nyalira. Salah sahiji seblak instan anu tekenal nyaeta nu asal dijieuna di Garut. Teu kudu jah kaditu sabab ayeuna mah bisa dikirim lewat ekspedisi ngirim paket. Salain hargana nu leuwih mirah, seblak instan oge rasa na teu eleh ku seblak dadakan. Seungit cikur jeung daun jerukna nu mantak asa kaambeu wae dina irung. Nu teu resep lada oge deuih tiasa ngatur nyalira ladana sakumaha, janten teu kedah bingbang. Yuk geura cobian seblak instanna! Dijamin moal kaduhung pasti bakal deudeuieun. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9448", "text": "Kemping di tempat wisata alam mangrupikeun kagiatan anu pikaresepeun sareng nyegerkeun pikiran pikeun seueur jalma. Kemping jadi cara anu sampurna pikeun ngeusi waktos luang ku aktivitas di luar ruangan. Kemping di tempat wisata alam, urang bisa ngarasakeun hawa anu seger sareng ningali kaendahan alam anu luar biasa. Kemping di tempat wisata alam oge mangrupikeun cara anu epektip pikeun jadi sarana hiburan. Sabab kemping nyadiakeun pangalaman anu beda. Biasana, anu disebut kemping di tempat wisata alam teh nyaeta meuting dina tenda, di tengah alam terbuka. Tempat wisata alam loba anu nyayogikeun oge lahan perkemahan anu bisa diakses ku wisatawan. Di dinya urang bisa kemping, ngasaan hirup di tengah alam bari tenang. Moal hariwang ku ayana sato liar atawa bahay-bahaya anu biasa dipanggihan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "913", "text": "Iphone 14 Pro salah sahiji smartphone kaluaran anyar. Smartphone ieu babari dipikawanoh sabab boga logo dina tukangeun smartphone na anu bentukna apel tapak gegel. Aya sababaraha pilihan warna nyaeta hideung, perak, emas, jeung warna gandola. Smartphone ieu dilengkepan ceramic shield, anu leuwih tanggung tibatan kaca smartphone anu sejenna. Ukuran layarna nyaeta 6,1 inci jeung 6,7 inci. Pas iPhone ieu diteundeun dina saku atawa ditangkubkeun, layarna bakal jadi poek jang ngahemat kakuatan batre. Smartphone ieu oge boga stabilizer anu alus, fungi stabilizer ieu teh karasa pisan mun keur mideo, mun urang ngaderegdeg misal keur dina kareta, tah hasil dina video mah bakal tetep mulus.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5789", "text": "Kacilakaan jadi salah sahiji hal nu paling dipikasieun ku para olahragawan, khususna ku pegiat olahraga ekstrem nu nyajikeun sagala tantangan jeung resiko nu gede. Tah, dina bidang olahraga cai teh, kacilakaan paling mengerikan nu sering terjadi nepi ka ayeuna nyaeta titeuleum dugi ka teu kapendak. Seueur pisan kajadian olahraga cai teh memakan korban. Misalna aya orang nu nuju arung jeram atawa kayakan, parahuna tibalik tuluy titeuleum sabab teu make palampung atawa ngait dina batu di dasar wahangan. Naasna deui, mun jasadna mangpoe-poe teu kapendak. Ieu teh saolah jadi mimpi burum bagi para pegiat olahraga cai mah. Tapi, leupas ti eta, olahraga cai teh tetep jadi pilihan di antara rupa-rupa olahraga ekstrem nu aya di Indonesia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5826", "text": "Ayeuna mah nuju usum hape nu kamerana teh loba. Mun baheula mah ngan hiji, ayeuna mah aya nu nepi ka lima kamera sakaligus dina hiji hape. Misalna hape redmi 9T nu kaluaran terbaru. Hape redmi 9T dikaluarkeun bareng jeung seri poco nyaeta poco M3. Hape redmi 9T teh tos ngangge layar corning gorilla glass, batre 6.000 mAh, fast charging, jeung RAM na oge aya nu 4 GB aya nu 6 GB, ROM na ge aya nu 64 GB aya nu 128 GB. Kamerana ge tos 48 MP, kamera makro MP, kamera depth sensor 2 MP, jeung kamera ultrawide 8 MP ditambah jeung kamera depan 8 MP. Harga na oge dijual di rentang 1.800.000 nepi ka 2.300.000 per 2022.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4916", "text": "Salah sahiji buah-buahan khas Subang nyaeta Ganas. Buah ieu asalna ti Subang kidul, nyaeta daerah tonggoh. Ganas Subang benten sareng ganas ti daerah sanes. Ganas ieu warnana koneng kahejoan upami nuju mengkelna, tapi upami asak na mah warna na koneng semu oren. Kulit pasina arageung, tuluy ukuran buahna oge ageung. Ganas nu tos siap panen biasana nu warna na tos semu koneng atanapi hejo kolot. Ukuran ganas nu kolot nyaeta buleud jeung kira-kira sajeungkal panangan urang dewasa. Upami di beulah, pasti cai ganasna seueur kalaluar, duh mantak seger ningalina. Unggal dinten ganas ieu tiasa ditingalan di sisi jalan daerah Jalancagak sabab panenna sapanjang taun, teu kenal musim jiga buah-buahan nu sanes.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7118", "text": "Sateuacan asup ka acara utama ekahan, aya hiji upacara deui anu biasana dilaksanakeun, nyaeta Upacara Puput Puseur. Upacara Puput puseur dimimitian ku motong tali pusar orok. Biasana puser orok bakalan puput salila hiji nepikeun tilu mingon saatos lahir. Tali pusar anu geus dileupas teras ku indung beurang diasupkeun kana kanjut kundang. Tuluy bujal orok ditutup ku duit receh/bengol anu geus dibungkus ku kasa atawa kapas tuluy ditalikeun kana beuteung orok, hal ieu dilakukeun sangkan puser orokna teu nyolongkrong atawa dina basa Jawa na mah disebut bodong. Dina upacara ieu didugikeun doa kanggo kaselamatan, bubur beureum bubur bodas disayogikeun sareng nami orok oge dipasihkeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4551", "text": "Latihan olahraga nyaéta ubar mujijat anu gampang anjeun meunangkeun tanpa biaya anu mahal alias gratis, tapi sering diabaikan, anu akhirna nyababkeun sagala rupa keluhan dina kaséhatan. Padahal lamun urang rutin olahraga minimal sategah jam urang bisa meunag lob mangfaatna. Sanajan kitu, eweh pernah kata telat pikeun ngamimitian olahraga. Henteu paduli umur anjeun, bukti ilmiah ngabuktikeun yén kagiatan fisik tiasa ngajadikeun anjeun langkung séhat sareng bahagia. Panalitian malah ngabuktikeun yén gaya hirup anu teu aktif leuwih ngabahayakeun pikeun kaséhatan ti obesitas. Lamun geus obesitas urang pasti hese ngalakukeun nanaon jeung jadi kirang percaya diri. Matak olahraga bisa jadi sumber ubar tina sagala masalah kasehatan boh kasehatan fisik atawa kaehatan mental.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4557", "text": "Di lembur urang biasana unggal sore lamun keur usum partandingan olahraga sok aya wae anu maen bola, partandingan bola ieu teh biasana di ngaranan partandingan sepak bola tarkam atawa antar kampung. Unggal sore sok rame pisan anu nongton bola ieu kabetulan imah urang baheula teh sisi lapangan jadi bisa pisan unggal poe urang nongton partandingan bola na ti sisi imah kusabab cicing didinya oge geus karici jelas partandingan bola na. Lamun rek aya pertandingan bola teh sok rame wae komo lamun geus asup ka babak final panongtona nepi ka anu jauh oge daratang hayang ningali kusabab rame oge jadi na sok loba tukang dagang lamun keur aya partandingan bola.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3964", "text": "Libur lebaran kamari, kuring jeung kulawarga mudik ka Purworejo, Jawa Tengah, urang sakulawarga ziarah ka makam nini di dinya jeung silaturahmi ka sakabeh dulur di purworejo. Saatos Purworejo urang mutuskeun pikeun liburan heula samemeh balik ka imah mempeng usum liburan keneh, urang mutuskeun liburan ka Yogyakarta. Jarak ti Purworejo ka Jogja teu pati jauh, ngan 2 jam ku naek mobil. Di jalan urang ngaliwatan bandara yogyakarta nu anyar nayeta NYIA \"New Yogyakarta Internasional Airport\" Di Yogya nginep di salah sahiji hotél sareng panginepan anu aya di wewengkon kota Yogya sareng caket ka babaraha tempat nu rek urang kunjungi saperti karaton Yogya, nyaéta di Calathea Homestay.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2824", "text": "Musuh utama (masalah) mobil listrik nyaéta panas. Sapertos cocooan budak leutik, batré mobil listrik sareng motor listrik tiasa panas (malah hurung upami sél batréna rusak). Kusabab kitu, loba pabrik mobil listrik (Chevy Volt, Tesla series, Nissan Leaf, jrrd) masang sajenis \"water jacket\" anu fungsina pikeun nyuplai aki jeung motor listrik kalawan coolant, saperti cairan radiator dina mobil bensin/diesel pikeun ngaleutikan. overheating. Leo nétélakeun, rata-rata pikeun jarak 100 km, mobil listrik merlukeun listrik kira-kira 20 kWh, kalawan waragad Rp 1.647 per kWh. Hartina, supir mobil listrik ngan ukur ngaluarkeun duit Rp 32.940 pikeun perjalanan ti Jakarta ka Purwakarta. Béda jeung mobil bahan bakar minyak (BBM) anu béngsin bisa nepi ka Rp 50.000 pikeun KM anu sarua, kalawan harga béngsin Rp 7.500 pér liter. “Kandaraan listrik boga kaunggulan, leuwih irit. Hiji 20 kwh full tank roda opat (mobil listrik) jarakna 100 km. 1 kwh sakitar Rp 1.647.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7996", "text": "Tempe mendoan janten salah sahiji patuangeun nu jadi andalan jang ngaganjeul beuteung atawa keur ngemil sareng ngopi. Cara nyieun patuangeun ieu oge gampil pisan. Mimiti, tempe teh dibaluran ku adonan tipung tur dianteupkeun kira-kira 15 menitan. Kadua, tempe nu tos dibaluran adonan teh dibaluran deui ku tipung nu dicampur sareng bumbu-bumbu sapertos bawang, uyah tur ketumbar. Katilu, tempe nu tos dibaluran dianclomkeun ka minyak panas nika keun warna na rada koneng ka emas-emasan. Nanging kudu diemutan ulah digoreng nika garing kusabab lamun garing jadina tempe goreng biasa. Teras kitu tempe mendoan siap disayogikeun haneut-haneut sareng sambel kecap nu lada rasa na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4600", "text": "Radio mangrupa salah sahiji média massa éléktronik pangkolotna sarta mangrupa bagian penting dina sajarah kamekaran téknologi komunikasi jeung sajarah kamekaran pakakas komunikasi. Salian ti éta, radio ogé ngambah sajarah média massa babarengan jeung televisi, koran, majalah, jeung sajabana. Ciri-ciri média massa jeung ciri-ciri média siaran anu digantelkeun kana radio ngajadikeun éta salah sahiji média komunikasi anu dipikaresep dina mantuan nepikeun pesen sacara gancang sarta sakaligus ti mimiti mimiti. Serangan rupa-rupa média anyar atawa média anyar jeung ciri-ciri média anyarna sakumaha anu dipedar dina téori média anyar, téori média anyar, atawa tiori média anyar, numutkeun para ahli, henteu ngaréngsékeun minat audiens pikeun terus ngagunakeun radio salaku média. komunikasi, informasi média, jeung média hiburan anu penting pikeun maranéhna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "568", "text": "Loba kabudayaan Indonesia nu bertahan di era globalisasi ieu. Angklung nyaeta salah sahiji conto kabudayaan Indonesia nu bisa nanjeur di buana. Salah sahiji bukti angklung nanjeur di buana nyaeta geus kabentukna hiji kelompok oskestra angklung di Jerman. Grup ieu mangrupakeun grup angklung nu personilna teh nyaeta ti mahasiswa oge murid-murid Indonesia di Hamburg. Diditu, angklung teu ngan ukur dimaenkeun jang lagu-lagu tradisional siga Manuk Dadali. Tapi oge aya kombinasi lagu barat siga Mission Impossible ku alat musik angklung ieu, jadina aya campur modern-etnik. Ku kaunikan angklung, angklung bisa nyampurkeun warna kaendahan musik dina ajegna jiwa persatuan sacara universal di sakabeh kalangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1965", "text": "Abdi sumping sateuacan tengah wengi. Sanggeus meunang konci kuring langsung naek lift ka kamar. lorong éta sepi, maot jempé. Abdi ngartos. Meureun sabab geus tengah peuting. Kabéh sémah keur istirahat. Kuring teu malire rarasaan kawas batur keur lurking bari leumpang handap aula. pikiran kuring ngan hiji. Istirahat. Nepi ka hareupeun kamar kuring nempelkeun konci, sarta nalika panto kamar kuring dibuka: ieu kosong! Babaturan kuring teu acan sumping. Tah nu kitu mah. Abdi oge teu wani ngajak naek supir, sieun engke rerencangan. Sanggeus mandi, néangan saré kuring ngahurungkeun TV. nepi ka kuring saré satengah saré. Sarta di dieu musibah dimimitian. Teu acan ngalaman katindihan. Kusabab sanajan panon kuring ditutup, otak kuring masih pinuh sadar. Ujug-ujug kuring kadéngé siga nu keur ngagoréng sangu di luar balkon. Sora spatula/sabeulah beusi bentrok tarik pisan jeung kagorengan ngaduk sangu kadenge jelas siga tukang goreng ngaduk sangu di jalan hareupeun imah. tapi otak abdi masih sadar, abdi teu di lantai 3? abdi ngantepkeun abdi. Meureun kuring berhalusinasi sabab kuring capé. Tapi beuki lila siga spatula adu kawali beuki heuras.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8803", "text": "Ulin sapatu roda tiasa janten kagiatan santai anu pikaresepeun sareng ogé olahraga ringan anu gampang dipaénkeun. Lamun urang geus nyaho kumaha carana nangtung bener di luhur eta sapatu roda, urang bakal kacanduan maén deui, kawas Fitri anu ayeuna keur maén sapatu roda jeung babaturan komplék na. Bari ulin, ujug-ujug adina babaturan Fitri hayang milu ulin oge, tapi Fitri ngan boga hiji eta sapatu roda teh. Fitri lumpat ka imahna tuluy balik mawa sapatu roda adina sarta diinjeumkeun ka adina babaturan Fitri. Ngarah ilun sapatu roda babarengan, maranéhanana ogé maenkeun loba gaya, nyepengan tiluan bari jalan, sarta lulumpatan make eta sapatu roda.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6613", "text": "Salah sahiji kadaharan Bandung anu kasohor utamana di kalangan barudak ngora nyaeta seblak. Seblak jaman baheula teu sapertos seblak jaman ayeuna. Baheula seblak ngan saukur kurupuk anu dikulub make bumbu cikur, bawang bodas, jeung cengek. Jaman ayeuna seblak janten rupi-rupi eusina, aya nu ngangge makaroni, bakso, tulang, ceker, siomay garing, mie golosor, nepikeun sayur. Inovasi seblak ieu nu matak ngajadikeun seblak langkung kasohor nepi ka luar daerah. Seeur jalmi nu asalna teu apal seblak ayeuna resep emam seblak lantaran seeur pilihan topingna. Salain toping atawa eusian nu rupi-rupi, seblak oge kasohor ku ladana, urang tiasa milih level lada sareng kuahna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5849", "text": "Poe Minggu teh jadi poe nu dinanti-nanti pisan ku barudak sakola mah, sabab aya siaran kartun favorite. Biasana kartun poe Minggu isuk-isuk teh sok aya Power Ranger, Barbie, Doraemon, Spongebob, Shin-Chan, jeung sajabana. Siaran televisi kartun ieu teh jadi hiburan dina poe libur barudak sakola. Biasana mah sok ngahajakeun teu ka mana-mana tuluy hudang isuk supaya bisa nonton kartun kasayangan. Kadang mah sapopoe jeput di imah jang nonton televisi hungkul sabab loba acara nu rame. Mun sore mah kadang sok nonton Si Bolang nepi ka sore. Acara televisi nu karieu teh jadi karesep anak sakolaan pisan sabab loba rupa jeung tontoneun nana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3941", "text": "Lalampahan ka pantai atawa danau geus ilahar. Coba wisata ieu waduk panggedena di Indonesia, Waduk Jatiluhur. Lucu pisan! Ayeuna Waduk Jatiluhur nuju panas dibicarakeun kusabab kaéndahanna dina kaméra, sapertos bentang alam Skotlandia. Nu peryogi kauninga, ieu waduk teh panggedena di Indonesia sareng di Asia Tenggara. Waduk Jatiluhur aya di Purwakarta, Jawa Barat. Mun rék ka dieu, bisa ngaliwatan Jalan Tol Purbaleunyi (Purwakarta-Bandung-Cileunyi), kaluar di Gerbang Tol Jatiluhur. Ieu waduk ngabogaan kapasitas 12,9 miliar méter kubik anu legana 4.500 km2. Kapasitas anu ageung ogé ngajadikeun Waduk Jatiluhur janten pembangkit listrik tenaga air anu ngagaduhan sistem limpasan anu panggedéna di dunya. Ieu oge waduk panggedena di Indonesia jeung Asia Tenggara. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5767", "text": "Kejuaraan Nasional Arung Jeram mangrupakeun kajuaraan single event nu rutin diayakeun unggal taun. Event ieu diayakeun jang ngapersiapkeun atlet terbaik jang ngawakilan Indonesia dina kajuaraan dunia. Jadi, tim nu meunang di kejurnas teh bakal maju ka event kejuaraan dunia. Biasana event kejurnas ieu teh diayakeunna di akhir taun. Tim nu tanding di kejurnas teh mangrupakeun tim terbaik nu diutus ku provinsi masing-masing. Dina event kejurnas arung jeram teh dibagi kana opat nomor lomba nyaeta H2H, sprint, slalom, jeung down river race. Mun divisi jeung kategori na mah terdiri tina yoith women, youth men, junior men, junior women, open men, open women, master men, jeung master women.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "467", "text": "Cara ngapalkeun Alqutan, nu kahiji gunakeun 1 mushaf. Dianjurkeun pisan jang ngagunakeun 1 mushaf nu sarua salila proses ngapalkeun Alquran. Hal ieu bakal ngababarikeun pisan dina proses ngapalkeun. Nu kadua ngadengekeun bacaan qori. Ngabiasakeun ngadenge bacaan ti qori bisa mantuan dina nambahan atawa ngulangi hapalan. Salian ti eta, bisa oge ngadangukeun qori sejen nu dipikaresep. Jang ngababarikeun hapalan, usahakeun ngadangukeun bacaan murotal, lain mujawwad. Nu katilu bisa ngagunakeun teknologi jang sarana maksimalkeun ngahapal Alquran, misalna lamun keur dina perjalanan tapi teu mawa mushaf, kudu dipastikeun geus ngainstall aplikasi Alquran dina HP. Jadi kamana wae indit, bisa tuluy maca atawa ngadengekeun Alquran.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5359", "text": "Salah sahiji kagiatan nu ringan tapi meunang pahala jeung elmu kaagamaan nyaeta ngaregepkeun khotbah sholat ied. Dina khotbah sholat ied sok disampaikeun ajaran agama ngeunaan zakat fitrah atawa pentingna berqurban. Dina khotbah ditepikeun sagala hal nu mangpaat jang kahirupa, khususna dua amalan tadi. Zakat fitrah jeung qurban sarua hakekatna nyaeta nyucikeun diri dina raraga nambah kataqwaan jeung kaimanan ka Gusti Allah SWT. Mun khotib keur ngadugikeun khotbah, kalayan sae na mun urang ngaregepkeun sing tarapti kana nu disampaikeun nana. Ulah nepi ka mubadzir sabab teu ngaregepkeun. Khotbah teh penting pisan sabab panginget urang kana urusan agama nu kaitanna jeung kataqwaan ka Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5057", "text": "Andong nyaeta salah sahiji kandaraan tradisional ikonik ti Yogyakarta. Andong nyaeta gorobag nu ditarik ku kuda, hampir sarua jeung delman. Zaman baheula andong teh sok dipake ngangkut jukut atawa pare. Mun ayeuna mah andong diangge ngangkut wisatawan ngurilingan Jalan Malioboro. Andong biasana ditarik ku hiji kuda, tuluy aya nu nyupiran nana nyaeta kusir. Tah gorobag atawa roda nu ditarik ku kuda teh mangrupa tempat diuk wisatawan. Andong zaman ayeuna dijadikeun salah sahiji kandaraan wisata nu jadi unggulan di Yogyakarta. Kuda nu narik andong biasana kuda piaraan nu geus kacoo. Sahiji andong biasana ngan bisa muat kana lima penumpangan, tapi tergantung oge jeung kapasitas roda atawa gorobag nu dipakena.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7361", "text": "Salian ti ulin karet atawa lompat tali, aya oge salah sahiji olahraga anu dipikaresep basa SD, nyaeta skiping. Abdi langkung resep kana olahraga nu luluncatan tibatan lulumpatan. Pas nuju olah raga di sakola, aya hiji rupi olah raga anu diajarkeun nyaeta skiping. Asalnama gantian sakali ewang lantaran di sakola ngan aya hiji tali na, tapi beuki lila beuki seeur oge rerencangan anu mawa tali sorangan. Abdi kaasup jalmi anu teu tiasa meser tali skiping anu mahal. Aya sababaraha jenis tali skiping anu dibawa ku rerencangan di sakola anu warna-warni. Aya oge nu tiasa ngetang otomatis sabaraha kali urang luncat, aya oge anu aya lampuan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "44", "text": "Nginum jus buah bisa jadi sehat tapi bisa oge henteu, komo anu ngandung gula. Urang sok meuli jus buah nu di sisi jalan biasana ditambahan gula cair, susu kentel amis, jeung pemanis nu sejenna. Anu karasa sok nyieun masalah huntu jeung sungut, mulai ti huntu bolong, huntu koneng, nepika huntu sensitif. Komo pas nginum jus anu haseum siga jus apel atawa jeruk bisa nyebabkeun lapisan paling luar pelindung huntu jadi erosi. Jadi mending nginum jus buah mah sasakali ulah nginumna unggal poe. Kecuali lamun nyieun sorangan jus buahna di imah supaya bisa apal komposisina, tuluy ulah ditambahan gula, susu kental manis, jeung pemanis buatan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4088", "text": "Lamun jadi umat Islam anu hadé, tangtuna urang kudu paham kana pentingna jeung hikmah sholat Jum’at. Jumaah ditunjuk minangka salah sahiji poe anu pangalusna sareng bisa disebat poe anu hébat jeung suci. Matakna umat ​​Islam kudu ningkatkeun ibadah jeung amal dina poe éta. Dina Al-Qur'an sareng Hadits, loba dalil anu nyarioskeun ngeunaan kautamaan jeung hikmah sholat Jum'at atanapi anu sering disebat ku umat Islam Indonesia salaku Jumatan. Istilah Jumaah asalna tina basa Arab nyaéta jama'ah anu bisa dihartikeun kumpul. Salian ti dijadikeun lambang silaturahmi jeung silaturahmi, sakumna umat Islam ogé meunang kasempetan pikeun ngalaksanakeun ibadah anu ngabogaan ajén anu kacida luhungna dina poé Jumaah. Kautamaan solat Jum’at anu kahiji nyaéta meunang pahala saperti ngalaksanakeun ibadah haji. ngalaksanakeun ibadah pasti ngaleungitkeun dosa tapi aya prioritas pikeun solat jumaah nyaéta ngahampura dosa sababaraha poé.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7087", "text": "Golongan anu meunang lindungan ti Alloh pas poe kiamat anu katilu nyaeta jalmi anu salawasna hatena ngarasa patali jeung masjid. Janten manehna teh aktif ngalakukeun kagiatan dina masjid, lantaran masjid sorangan gaduh harti nyaeta tempat sujud. Golongan anu kaopat nyeta lalaki anu cinta ka Alloh, lalaki anu paturay jeung patepang karna Alloh. Contohna nyaeta Nabi Muhammad jeung sobatna Abu Bakar Ash-Shidiq. Golongan anu kalima nyaeta saha saha wae jalmi anu sedekah bari susumputan. Jalmi anu lamun sedekah teh teu bebeja ka sasaha, manehna ngan ngarep pahala ti Alloh hungkul, teu hoyong katingal ku jalmi anu sanesna lantaran bisi janten jalmi anu ria.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7189", "text": "Ceuk saha tari daerah pasti kaasup tari tradisional, aya oge tari daerah anu kaasup tari modern atawa kontemporer. Tari anu dikenalkeun ku Raden Tjetje Soemantri seniman asal Sunda ieu tiasa disebut tari kontemporer lantaran sadaya gerakan na diciptakeun sorangan. Anjeunna nyandak gerakan-gerakan merak anu endah sareng ngajantenkeun tarian anu endah oge. Bakating ku endahna, tari ieu oge janten kareueus urang Indonesia hususna urang Jawa Barat lantaran tari ieu mangrupakeun tari anu geus nepi ka tingkat internasional. Kasenian tari ieu dicokot tina kabiasaan merak jalu nalika hayang narik perhatian merak bikang. Salah sahiji gerakan endah anu dipidangkeun nyaeta gerakan merak jalu nembongkeun kageulisan bulu buntutna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4591", "text": "Laptop atawa komputer portabel nyaéta komputer pribadi anu kawilang leutik jeung hampang, jadi bisa dibabawa. Beuratna antara 1-6 kg, gumantung kana ukuran, bahan jeung spésifikasi laptop. Sumber kakuatan laptop asalna tina batré atanapi adaptor A/C anu tiasa dianggo pikeun ngecas batré sareng ngaktipkeun laptopna sorangan. Batré laptop biasana tahan sakitar 2 dugi ka 6 jam sateuacan béak. Habisan batré gumantung kana cara ngagunakeun, spésifikasi, sareng ukuran batré. Laptop sok disebut oge komputer notebook atawa komputer pangkuan, keur ukuran nu leuwih leutik disebut netbook.Salaku komputer pribadi, laptop gaduh fungsi anu sami sareng komputer desktop umumna. Komponén-komponén anu aya di jerona persis sarua jeung komponén-komponén dina desktop, ngan ukur ukuranana diréduksi, dijieun leuwih hampang, kurang panas, jeung leuwih irit daya.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9483", "text": "Pantai mangrupikeun salah sahiji tujuan liburan anu loba diminati ku seueur jalma. Nanging, liburan ka pantai bakal langkung resep nalika urang liburan di pantai sareng kulawarga tibatan liburan nyalira. Salah sahiji alesan kunaon liburan sareng kulawarga di pantai langkung pikaresepeun tibatan nyalira nyalira nyaeta, urang bakal ngarasa langkung aman sareng langkung nyaman. Lamun keur liburan nyalira, urang mindeng ngarasa hariwang atawa teu nyaman sabab teu aya nu marengan. Nanging, nalika urang liburan sareng kulawarga, urang bakal langkung aman sareng langkung nyaman sabab urang gaduh jalma anu dikenal sareng paduli ka urang. Salian ti eta, liburan sareng kulawarga anjeun di pantai oge tiasa janten cara anu efektif pikeun ngahijikeun kulawarga urang tur mere rasa kanyaah nu leuwih ti saacanna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1862", "text": "galau hayang rendang daging padang, naha tiasa heuteu dipendakan di luar negeri? Tong hariwang, Pikeun pemula, tip sareng resep masak ieu gampang dipendakan, naha anjeun naroskeun ka jalma di sabudeureun anjeun, buku kuliner sareng atanapi majalah, atanapi sareng internét.rendang sapi padang ieu tos aya di sakuliah dunya. Di belahan bumi mana waé anjeun, masakan ieu gampang dipendakan di réstoran, komo deui, réstoran anu ngajual masakan asli Indonésia. Kadaharan asli Indonésia leuwih ngeunah jeung ngeunah batan kadaharan ti mancanagara sabab beunghar ku bungbu. Indonésia mangrupa puseur rempah-rempah di dunya, éta téh salah sahiji loba kabeungharan Indonésia, ku kituna kadaharan otentik Indonésia mibanda citra rasa jeung ngeunah nu luhur tur eweh nu ngelehkeun !", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7399", "text": "All England atanapi All England Open Badminton Championships mangrupikeun salah sahiji kajawaraan badminton pangkolotna sareng paling bergengsi di dunya. Diayakeun saprak 1899 kalawan ngaran The Open English Championships, turnamen ieu geus pindah lokasina genep kali. Ayeuna All England diayakeun di National Indoor Arena, Birmingham. Saprak diayakeun ti taun1984 acara ieu parantos disponsoran sacara eksklusif ku Yonex. Kalawan panongton anu jumlahna kira-kira 31.000 panongton unggal taun anu ngeusian National Indoor Arena, Birmingham, kompetisi ieu janten salah sahiji kompetisi olahraga badminton pang populerna di dunya. Sajaba ti eta, nepi ka taun 1977, turnamen ieu oge dianggap Kajuaraan Dunia teu resmi dina badminton, sanajan teu dilaksanakeun dua kali lantaran perang dunya.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5344", "text": "Rini ngiringan salah sahiji kajian anu diayakeun di mesjid kampusna. Unggal dinten Minggon Rini ngiring kajian. Dina sapopoe na oge sok aya mentoring, jadi kajian na teh teu Minggon hungkul. Unggal dina sela-sela jam kosong kuliah, Rini sok janjian jeun mentor jeung babaturanna supaya ngayakeun mentoring. Tujuanna nyaeta supaya leuwih deukeut ka jalan ridho Allah SWT oge jadi pengingat dina ngajalani kahirupan, ulah nei ka ngalaksanakeun perbuatan nu mubadzir atawa dosa. Rini oge saeutik-saeutik mulai ngaubah kabiasaan nana, ti segi pakean nu sok terbuka ayeuna mah jadi tertutup. Ti kabiasaan muang waktu ku kagiatan rebahan, jadi ngaefektifkeun waktu ku kagiatan berguna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3542", "text": "Naon cara anu pangsaéna pikeun milih pasangan hirup?\r\nTeangan batur anu bisa seuri dina guyonan konyol anjeun ngabejaan.\r\nMilarian batur anu tiasa ngabantosan anjeun nahan nyeri anu anjeun karasa.\r\nTeangan batur anu boga parasaan sarua jeung anjeun.\r\nMilarian batur anu gaduh sababaraha hal anu sami sareng anjeun, ogé bogoh ka anjeun, gaduh sababaraha bédana, ngantosan anjeun sareng henteu ngantunkeun anjeun nalika anjeun turun sareng leres-leres bogoh ka anjeun.\r\nMilarian batur anu cocog sareng anjeun sareng anu gaduh minat sareng pandangan anu sami dina subjek anu paling tabu.\r\nManggihan batur who wants to jadi sareng anjeun pikeun sesa hirup anjeun; pilih batur anu milih anjeun.\r\nTeangan batur anu bakal tetep bogoh ka anjeun nalika anjeun teu oke.\r\nTeangan batur anu sahenteuna weruh kumaha carana ngatur duit. Anjeun tiasa terang ku sabaraha anjeunna nyéépkeun sababaraha waktos anjeun babarengan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5317", "text": "Unggal poe jumaah, samemeh lebet ka kelas teh murid diwajibkeun ngarumpul heula di lapangan sakola. Murid dikemeplkeun kangge yasinan babarengan sareng ngadangukeun ceramah kaagamaan. Saatos bel masuk jam tujuh, sadaya murid wajib duduk di lapang, sasuai kelasna masing-masing. Sisi belah kenca mah jang murid putri, tah sisi belah katuhu lapang jang murd putra. Sadaya murid wajib nyandak Al-Quran. Di payuneun murid aya guru agama nu mimpinna. Saatos ngaos yasin, murid diwajibkeun ngadangukeun ceramah. Tah mun beres ceramah sareng ngaos yasin, sadaya murid lebet deui ka kelas masing-masing kangge diajar sasuai jadwalna. Kagiatan ieu teh rutn dilaksanakeun dina raraga pembentukan karakter siswa atawa murid di sakola.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6669", "text": "Kanggo saha wae anu resep ngaganyem nu heuras-heuras sapertos kiripik tapi bosen, aya pilihan camilan anu pastina bakal nyieun katagihan. Basreng atawa baso goreng mangrupakeun camilan anu bahan aslina ti baso lauk anu dijieun ti lauk anu dicampurkeun jeung tipung aci jeung tipung tarigu anu dikulub nepikeun jadi kenyal. Adonan baso lauk eta teras dipotong-potong panjang siga motong kentang, teras di poe nepikeun garing. Upami tos garing basreng digoreng dina minyak panas teras disamaraan make cengek jeung daun jeruk. Aya seeur jenis baso ikan nu aya dipasaran, upami bade ngadamel basreng kriuk urang kedah milih baso anu terkstur na rada heuras jeung bau laukna rada seungit, biasana warna basona sanes bodas tapi rada abu-abu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "73", "text": "Serok mangrupakeun alat bantu masak, fungsina bisa jang ngagoreng, ngagalo, nepika niiskeun kudu make serok. Bentuk serok beda-beda, mibogaan fungsi anu beda oge. Contona: Serok ipis jeung leuleus biasana dipake jang ngagalokeun adonan kueh. Serok datar jeung lebar, biasana dipake jang nyieun endog dadar. Serok stainles, biasana ieu jenis nu mindeng dipake, lamun embung ngarasa panas pas nyepenganana, kudu milih nu dina bahan awi atawa karet. Serok jang sendok sayur atawa dahareun anu kuahan, serok ieu bentukna kawas sendok. Bahanna dijieun bisa tina stainless, nepika plastik nu tahan panas. Serok nu bolong, biasana dijieun tina bahan nu tahan lila jeung gagangna nu panjang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "113", "text": "Di Buahbatu aja bakmi di jero coffee shop. Ngaranna Sandaran Coffee di jalan Karawitan Bandung. Tempatna aya nu indoor jeung nu outdoor. Indoor na gaya imah jaman baheula, jadi siga di imah nini aki. Tuluy si tembokna teh dijieun siga ambruk jadi teksturna katinggali kasar natural. Bakmi didieu hargana mulai ti 18 rebuan hungkul. Geus meunang bakso, ceker, tahu jeung siomay. Porsina loba pisan. Bakmi sambel matah rasana gurih lada. Ulah poho oge nyobaan roti kukus choco crunchna. Rotina lembut ditambah aya coklatan. Nginumna es kopi susu, amisna pas. Lamun hayang nu leuwih amis, pesenna es kopi susu karamel. Di outdoorna loba tatangkalan harejo, jadi hawana ge seger.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5869", "text": "Generasi zaman ayeuna mah loba nu make hape iphone sabab kamerana dinilai leuwih cekas tibatan kamera di hape android. Kabutuhan fofotoan jeung nyieun rupa-rupa video teh jadi salah sahiji kabutuhan nu penting dipenuhi, mantak mun meser hape teh prioritas utama pertimbangan spesifikasina nyaeta resolusi kamera. Tah, kamera iphone teh boga resolusi nu sae jeung hasilna ge leuwih natural oge realistis. Fitur na ge tos modern, ngusung sababaraha mode nu tos leuwih modern ti hape sejenna. Wajar wae hargana leuwih mahal ge sabab sababaraha fitur na ge loba nu geus harade. Jadi, wajar wae mun loba nu bebelaan nyicil hape iphone dari pada hape android. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7443", "text": "Radio mangrupa salah sahiji media massa anu masih keneh aya nepi ka kiwari, malah pangkolotna di dunya. Radio oge dipikaresep ku rupa-rupa kalangan ti budak ngora nepi ka kolot. Sajarah radio di Indonesia, dimimitian tepatna kaping 16 Juli 1925 dina mangsa kolonial Hindia Walanda. Ku ngadegkeun radio siaran anu kahiji, nyaeta Radio Bataviase Vereniging (BRV) di Batavia atawa Jakarta baheula. Radio mangrupa salah sahiji jenis media massa hiji arah anu kagunaanna nyaeta pikeun nepikeun pesen (berita, informasi jeung hiburan) ka balarea. Dina jaman samemeh kamerdekaan, radio oge boga fungsi pikeun nyebarkeun yen proklamasi kamerdikaan Indonesia geus dilaksanakeun. Dina 17 Agustus 1945, Syahruddin ti Kantor Berita Domei, nyebarkeun teks proklamasi ngaliwatan siaran udara.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4647", "text": "Gancangna perkembangan teknologi ayeuna nyaluhuh kana sagala bidang, internet bisa gancang ngarubah sakabeh tatanan jeung kabiasaan hirup urang sabagai manusa. Sakabeh na ngarubah ku nu ngarana internet. Tina internet asup kana sagala bidang saperti bidang pendidikan, hiburan, bisnis jeung ekonomi. Internet mimiti asup ngubah dina dunia hiburan ayana youtube tempat paranti urang nonton nu teu aya di tivi saha nu nyangka ti dinya ku bakat teknologi anu makin maju youtube gancang pisan bisa gede siga ayeuna, kreator atawa anu nyieunan video youtube anu asalna ngan asal asalan hungkul bari ngeusian waktu luang jadi siga ayeuna bisa ngahasilkeun duit ti dinya.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7117", "text": "Nenjrag Bumi nyaeta ritual ku cara nempatkeun orok dina lante anu dijieun tina awi nu dibeulah. Teras indungna nyentak sukuna kana awi 7 kali. Hal ieu dilakukeun sangkan orok janten jalmi anu wani, teu gampang reuwas sarta henteu jadi jalmi sieunan engkena. Cara sejen oge bisa dilakukeun ku cara nakol palu di lantai deukeut posisi orok. Maksud jeung tujuan dilaksanakeunana ieu upacara teh nyaeta supados orok jadi budak nu gagah tur teu sieun lamun ngadangu sora. Upacara ieu biasana dilakukeun ku murangkalih basa tos dua atanapi tilu taun. Upacara ieu oge mangrupakeun salah sahiji adat Sunda anu masih keneh dilaksanakeun nepi ayeuna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7355", "text": "Lamun budak lalaki resep kanu bola sepak, budak awewe mah resep kanu bola basket. Basa maen ka bumi rerencangan, di imahna aya bola basket lengkap jeung ringna. Abdi atoh pisan nimu aya bola jeung ring, abdi langsung nyobian maen bola basket, rerencangan abdi oge masihan apal sababaraha tehnik anu kedah dilakukeun lamun urang hoyong ulin basket anu sae. Sareng nyobian ngasupkeun bola kana ring. Mulai ti jarak anu dekeut nepikeun ka jarak anu jauh. Hanjakal abdi tos tara maen deui lantaran bolana geus ruksak, jaba pangaos bola anu asli mah teu mirah. Abdi janten tos poho deui kumaha cara maen basket anu bener.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7420", "text": "Kaulinan anu ngajadikeun sasatoan salaku lakon utamana teu pernah gagal jante karesep saha wae anu ulin dina komputer. Saha anu teu pernah ulin Hamsterball. Kaulinan ieu ngajadikeun carita sapopoe nyaeta hamster anu aya dina bola palastik anu ngaliwatan rintangan anu rupi-rupi. Urang salaku pamaen kedah ngagerakkeun eta hamster sangkan tiasa nepi ka garis finish. Di sajajalan bakal aya seeur rintangan sapertos palu anu bakal ngahancurkeun bola jeung lobang anu bakal ngaajadikeun urang eleh, balik deui ka garis mimitina. Kaulinan anu dikaluarkeun ku Playstation ieu dikaluarkeun mulai ti taun 2004. Abdi resep maenkeun kaulinan ieu lantaran beuki lila beuki hese, janten nantang diri soorangan sangkan tiasa nuntaskeun tiap level na. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8651", "text": "Ku hirup salaku tatangga, urang tiasa ngawangun hubungan sosial sareng jaringan silaturahim anu langkung kuat. Urang bisa kenal ka tatangga jeung silih tulungan ku sababaraha cara. Kalayan seueur jalma anu hirup di sabudeureun urang, eta tiasa ngabantosan ngajaga kasalametan sareng kanyamanan lingkungan tempat urang cicing. Urang oge tiasa silih awas sareng ngabantosan ngajaga bumi sareng tatangga urang aman. Hirup sabeulah oge bisa mantuan urang nungkulan masalah sapopoe, kayaning nulungan silih dina kaayaan darurat atawa perencanaan acara babarengan. Ku hidep jadi tatangga, urang bisa silih tukeur informasi jeung pangaweruh ngeunaan kaayaan lingkungan jeung hal-hal anu bisa mangfaat pikeun urang sadaya. Kalayan seueur tatangga anu hirup di sabudeureun urang, urang tiasa ngaraos langkung nyambung sareng henteu ngaraos sepi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1849", "text": "Kuring tangtu mineng ogé geus dahar di réstoran prasmanan séjén kayaning nyaeta Gyu Kaku nu unik di Jakarta, lajeng aya ogé Hanamasa nu bisa disebutkeun réstoran munggaran all you can eat ker kuring masih budak leutik. Kapungkur kuring tuang di réstoran sareng akina, ka réstoran hotél pikeun perayaan anu tangtu sapertos Taun Baru Cina atanapi Natal kabeneran etateh Gyu kaku ditambah upami omongkeun ngeunaan Gyu Kaku, és krim téh meunangna jeung naon ngajadikeun kuring bisa bombard beuteung kuring jeung malah leuwih daging. pantas weh All You Can Eat nu pang alusna jeung ngenah jang abdimah nyaeta Gyu kaku nu geus puguh teu direka-reka.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2434", "text": "Ngadugikeun buku Kuliner Yogyakarta terbitan Badan Pengembangan dan Pengembangan Bahasa, ngaran \"gudeg\" asalna tina istilah basa Jawa, hangudek. Istilah hangudek hartina prosés ngaduk. Prosés ieu asalna tina sajarah gudeg anu lahir sakaligus ngadegna Karajaan Mataram Islam dina taun 1500-an. Tempat ngawangun Karajaan Mataram Islam dina titincakan, nyaéta Alas Mentaok di wewengkon Kotagedé. Di Alas Mentaok loba tatangkalan anu tumuwuh, saperti nangka, kalapa, sawit, jeung melinjo. Saterusna, dina mangsa pangwangunan karajaan, tangkal anu tumuwuh di Alas Mentaok ditegor ku pagawe sarta ahirna dipaké. Salah sahiji bahan anu dipaké nyaéta nangka ngora anu asak pikeun dijadikeun kadaharan pagawé. Kusabab jumlah dahareun anu diperlukeun pikeun kadaharan pagawe kudu badag, nangka ngora asak ngagunakeun mangkok badag sarta diaduk merlukeun pangudeg badag bentukna kawas dayung parahu.Tina prosés diadukeun atawa hangudek, muncul istilah gudeg pikeun ngaran masakan anu dijieun tina nangka ngora.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9501", "text": "Nongton pilem mangrupa kagiatan anu ngalibatkeun lalajo carita anu dibagikeun ngaliwatan media kayaning layar televisi, komputer atawa bioskop. Pilem biasana diwangun ku sababaraha adegan anu dimaenkeun sacara berurutan sarta disusun sangkan ngabentuk carita anu koheren jeung menarik. Salian ti eta, film oge biasana dilengkepan ku dialog, musik, jeung efek sora pikeun ngaronjatkeun kesan visual jeung emosional. Nonton pilem tiasa janten kagiatan anu pikaresepeun sareng ngahibur, khususna upami anjeun lalajo pilem anu cocok sareng karesep pribadi. Salian ti eta, nonton pilem oge tiasa janten cara anu efektif pikeun istirahat sareng nenangkeun pikiran tina kasibukan sadindinten. Nonton pilem bisa jadi salah sahiji cara anu bisa jadi hiburan anu nyugemakeun hate tur pikiran.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3605", "text": "Sabenerna loba karugian anu timbul tina résidu péstisida, tapi husus pikeun hasil tatanén nya éta: résidu ieu bisa asup kana awak manusa sanggeus hasil tatanén dikonsumsi minangka kadaharan. Sabagéan ageung produk tatanén dikonsumsi salaku kadaharan pokok. Contona: sangu, jagong, gandum.\r\n\r\nkarugian pikeun patani nyaéta produkna bakal hésé nembus pasar anu gaduh pilihan péstisida sareng zat bahaya anu sanés.\r\n\r\ndina waktosna patani kedah langkung bijaksana ngagunakeun pestisida. sajaba ti kahareupna pasti aya aturan ngeunaan pamakéan pestisida. otomatis nyanghareupan kompetisi jeung patani ti sagala rupa penjuru dunya.\r\n\r\nSamentawis ayeuna, panginten urang henteu acan mikirkeun éta sabab pasokanna langkung handap tina paménta.\r\n\r\nmemang péstisida bakal buruk jadi teu bahaya sanggeus sababaraha waktu. tapi hehehehe, éta alus pikeun ati.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8658", "text": "Hiji poe, saurang pendaki gunung nu ngaranna John indit ka gunung nu jauh pisan jeung teu dicicingan. Anjeunna angkat nyalira, ngan ukur nyandak peralatan sareng suplai kanggo sababaraha dinten. Hujan gede jeung angin nu kuat ngagebruskeun wewengkon sabudeureun gunung, ngabalukarkeun John. Manehna nyoba-nyoba neangan jalan balik, tapi beuki jauh jalanna beuki teu jelas. Sababaraha poe kaliwat, sarta John masih leungit di gunung. Anjeunna kapaksa dahar diet anu basajan tur kurang gizi, kayaning bungbuahan liar sarta sayuran. Anjeunna kedah ati-ati dina milarian tuangeun, sabab sababaraha pepelakan di gunung tiasa bahaya pisan. Sanggeus saminggu di gunung, John ahirna junun manggihan jalan jeung balik deui ka wewengkon aman. Anjeunna pisan cape sarta kuru, tapi anjeunna junun salamet di gunung salila saminggu tanpa pitulung ti saha.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5450", "text": "Cara supaya meunang pasanggiri ngadongeng carita rakyat di sakola. Nu kahiji nyaeta siapkeun carta rakyat nu alus heg babari dipahami. Pilih caita rakyat nu kira-kira urang bisa alus nepikeun nana. Nu kadua nyaeta apalkeun alur caritana sing taapti supaya teu poho pas engke tampil dina pasanggiri. Nu katilu nyaeta siapkeun properti nu dibutuhkeun jiga pakean nu ngagambarkeun tokoh di kisah eta, tuluy properti pendukung supaya leuwih kagambarkeun caritana. Nu kaopat nyaeta latihan unggal poe supaya mimik jeung intonasi urang teh pas. Intonasi jeung jeda penting pisan supaya penonton bisa ngarasa antusias kana carita nu ditepikeun ku urang, tuluy mimik oga kudu pas supaya bisa narik perhatian penonton. Nu terahir nyaeta siapkeun mental jeung sagalana samemeh tampil masing asak, supaya teu aya nu poho atawa tinggaleun alur caritana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4979", "text": "Saking lobana tukang dagang jajanan di Indoesia ngajadikeun munculna hiji pagawean anya nyaeta pemandu wisata kuliner. Pagawean ieu biasana ngulas jajanan atawa kadaharan di kota-kota nu aya di Indoesia. Dahareun nu di ulas na ti mimiti jajanan dugi ka dahareun tradisional nu langka ge aya. Pemandu wisata kuliner unggal poe na pindah kota jang ngasaan dahareun unik nu aya di kota eta. Teu ukur ngasaan, manehna oge ngulas rasa, harga, jeung sajabana nu kaitan jeung eta kadaharan. Pemandi wisata kuliner biasana ditayangkeun na TV atawa na youtube. Eh ketang ayeuna mah na tiktok ge osok aya da sabab penggemar na loba nu sok mukaan tiktok. Pagawean ieu bisa dibilang cukup ngajanjikeun dina segi gaji, sabab salian meunang gaji urang ge bakal meunang jalan-jalan jeung nyobian dahareun nana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7201", "text": "Sosok jeung pangaruh tokoh adat Jingitiu oge diaku ku masarakat satempat, utamana dina hal milih calon kepala daerah anu bakal dipilih. Maranehna ngarahkeun kelompokna sangkan bener-bener ningali sosok anu berkualitas ku merhatikeun kasang tukang tokohna, lain ngan ngeunaan kasang tukang agamana. Hal ieu mere kapercayaan ka masarakat pikeun milih pamingpin anu miboga kapribadian jeung iman anu sae. Peran tokoh adat Jingitiu kacida pentingna dina mangaruhan partisipasi masarakat satempat sabab pamilih bisa nyieun pilihan anu mampuh ngawakilan kapentinganana, kaasup milih pamingpin anu berkualitas luyu jeung harepan masarakat. Ayana tokoh adat Jingitiu janten katalis jeung salaku pihak anu ngendalikeun kaayaan sosial di masarakat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1912", "text": "Pikeun pemula, kumaha carana ngagunakeun sumpit bisa jadi rada hese. Utamana di nagara anu sapopoe teu make sumpit, kaasup Indonesia. Sanajan kitu, kiwari geus loba réstoran- réstoran nu nyadiakeun sumpit salaku paranti dahar.\n1. Tempatkeun sumpit kahiji (sumpit A) dina dasar jempol\n2. Teundeun dasar sumpit A dina handap ramo cingcin\n3. Tahan sumpit A dina posisi ieu ngagunakeun ros-rosan handap jempol Anjeun\n4. Tempatkeun sumpit kadua (sumpit B) dina posisi kawas nyekel pulpén\n2. Di handapeun sumpit, nempatkeun jari tengah anjeun ka handap pikeun nahan sumpit B\n3. Teundeun ramo indéks jeung jempol diantara sumpit B\n4. Posisikeun luhureun sumpit dina dasar ramo cinggir\n5. Pastikeun posisi dua sumpit sajajar jeung teu meuntas\n6. Pindahkeun sumpit B pikeun ngarawu jeung ciwit dahareun\n7. Tetep sumpit A dina posisi ngarah ajeg", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6617", "text": "Sangu tos janten kadaharan wajib masarakat Indonesia, teu acan dahar cenah lamun teu acan emam sangu. Beas anu umumna dikonsumsi ku masarakat Indonesia nyaeta beas anu dipelak di sawah. Tapi kanggo jalmi anu gaduh panyawat diabetes aya sangu anu langkung sehat ti beas biasa nyaeta beas porang. Beas porang beda jeung beas biasa, beas anu kasohor di Jepang ieu aslina didamel ti tutuwuhan hui porang anu diolah janten tipung, teras dijadikeun beas. Tipung porang ieu oge anu tiasa dijadikeun bahan kanggo ngadamel mi shirataki. Beas porang aman dituang ku jalmi anu gaduh panyawat diabetes lantaran aya kandungan glukomanan anu sae kanggo nurunkeun gula dina getihna. Beas ieu oge sae kanggo jalmi anu gaduh rencana bade nurunkeun beurat awak atawa diet lantaran dumasar kana kandungan kalorina dina saratus gram beas porang ngan tujuh puluh kkal dibandingkeun beas biasa anu ngandung saratus dalapan puluh kkal dina saratus gramna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1616", "text": "Kahirupan di desa beda jauh jeung di kota, nu paling signifikan mah nyaeta di desa aya kabiasaan gotong royong. Sanajan teu dibejaan, biasana warga-warga nyampeurkeun sorangan jang mantuan. Siga contona wae pas rek ngayakeun muludan di imah, di bagian masak sok dibarantuan ku awewe, boh eta nu masih ngora atawa ibu-ibu. Lantaran mun dibantuan ku lobaan pagawean teh tereh beres. Mun lalaki biasana sok ngabantuan dina ungkat-angkut atawa hal-hal nu beungbeuratan, siga masang panggung jang acara tausiyah, atawa meresihkeun buruan nu dipake na ngarah beresih eta oge tugas lalaki. Hebatna gotong royong ieu teu ngarepkeun upah atawa imbalan, murni tina hate hayang nulungan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5341", "text": "Nabi Nuh AS nyaeta Nabi nu diutus ku Allah SWT kangge nyebakeun syariat Islam di zaman Bani Rasib. Zaman ieu manusa nyembah ka patung-patung atawa berhala. Nabi Nuh AS dina nyebarkeun dakwahna ngarasa kasulitan sabab hese pisan ngajak kaumna. Umat nu ngiring jadi pengikut Nabi Nuh AS harita teu seueur, teu langkung ti dalapan puluh urang. Nabi Nuh AS ngadoa ka Gusti Allah SWT supaya dlancarkeun tina kasulitannana ku cara datangkeun adzab ka kaumna. Tuluy Allah SWT merintahkeun Nabi Nuh AS sareng pengikutna supaya nyieun kapal nu bakal ngangkut Nabi Nuh AS, pengikutna, jeung hean-hewan. Mangtaun-taun nabi Nuh AS jeung pengikutna ngabangun kapal. Geus sababaraha taun ahirna kapal eta jadi. Tuluy Allah ngadatangkeun anjir bandang ka kaumna. Nabi Nuh AS jeung pengikutna mah salamet sabab naek kapal. Kaum na mah harita waft sadaya kabawa banjir bandang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4546", "text": "Olah raga nyaeta salah sahiji cara urang keur bisa hirup sehat, olahraga ngajieun metabolisme tina awak urang jadi lancar jrung bis ngahilangkeun racun racun (detox) lamun urang olahraga teratur, makan di jaga, sare anu bener eta matak awak teh jadi sehat pisan jeung bisa manjangkeun umur. Tapi di jaman ayeuna anu tingkat stres naek tuluy olahraga oge ngabantu urang ameh henteu stress, urang bisa ngalihkeun stress urang kana hal hal anu positif nyaeta olahraga. Kabeh olahraga ngabogaan mangfaat anu sarua pada umumna nyaeta ningkatkeun stamina jeung metabolisme awak ameh leuwih sehat. Tapi aya babaraha mangfaat olahraga sacara spesifik tergantung bidang anu di lakukeun saperti olahraga renang ngajien urang nambah jangkung. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5459", "text": "Keris nyaeta senjata tradisional suku Jawa nu dikenal ka mana-mana. Keris bentukna teu simetris sabab memang dijieun ngareol ti ujung ka handap. Ujungna lancip tuluy handapna aya penyangga jeung gagang. Keris jaman baheula dipake jang senjata ngalawan musuh, mun ayeuna mah sering dipake jang minuhan fungsi estetika jeung simbol dina pakean atawa acara adat. Fungsi keris oge nyaeta jang sasajen ka karuhun nu mangrupakeun simbol kahormata jeung kakuatan. Unggal aya pernikahan adat Jawa, mempelaina kedah mamawa keris nu mangrupa simbol adat Jawa. Kadang aya upacara tertentu nu digelar jang ngaberesihan atawa nyucikeun keris pusaka di Jawa nyaeta dina malam satu suro.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2643", "text": "Pikeun meunangkeun mangpaat jogging nu maksimal, aya dua hal penting nu kudu diperhatikeun, nya éta. Jogging merlukeun loba énergi, utamana lamun rék ngalakukeun latihan ieu leuwih ti 60 menit. Ku alatan éta, meakeun kadaharan bergizi anu ngandung karbohidrat kompléks jeung protéin sahenteuna 3 jam saméméh jogging. Hindarkeun ngonsumsi katuangan anu ngandung lemak sareng serat sateuacan jogging. Salian ti dahar, pastikeun ogé nginum cai anu cukup sateuacan sareng nalika jogging supados anjeun henteu dehidrasi. Sateuacan jogging, penting pikeun milih sapatu jalan anu cocog sareng suku anjeun sareng ngarasa nyaman dina suku anjeun nalika anjeun ngaléngkah. Salian faktor kanyamanan, milih sapatu anu pas ogé tiasa ngirangan résiko tatu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "554", "text": "Oleh-oleh daerah teh menarik sabenerna mah, tapi sakapeung sok tara menarik ninggali tina bungkusanna oge jeung lamun inget kadaharan daerah pasti weh pikiranna teh eta kadaharan anu kuno. Ceuk urang mah mun boga bisnis oleh-oleh khas daerah alusna salian ti rasa nu ngeunah, oge kudu dibere sentuhan anu modern, ieu bisa dicobaan mere sentuhan modern kana oleh-oleh misalna nyieun bungkus ku gaya kekinian, mere rasa nu keur dipikaresep ku batur, jeung sajabana. Ieu penting meh euweuh deui anggapan mun kadaharan daerah teh kuno jeung teu menarik. Tangtuna mun menarik mah bakal datang sorangan nu meuli teh sanajan manehna acan pernah nyobaan kadaharan eta.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1974", "text": "Nurutkeun kana ramatloka Criteo.com, jumlah booking tikét maskapai jeung hotél via alat nu bagerak ngaronjat tina 12% ka 23% antara 2014 - 2015. Ieu bisa jadi sabab travelers mimiti sadar loba kaunggulan booking hotél online.Kanaikan gede mesen hotel ti online mangrupakeun kaayaan jaman kiwari. Salah sahiji kaunggulan ti mesen tiket hotel teh ku cara online, naha ? sabab loba pisan promo nu engkena bisa disayogikeun ka para konsumen nu bade meuting, loba aplikasi nu aya ayeunamah kiwari ti Reddorz, Agoda, jeung Sajabana. komo deui dina masa serba online mah teu kudu aya tatap muka, jeung fitur pangambalian duit ge aya opsina.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6718", "text": "Saha anu resep ka sasatoan, komo mun urang tiasa maraban sato langsung di kandangna. Salian ti Kebon sato urang oge tiasa datang ka kandang rusa anu aya di Kampung Cai Rancaupas atau leuwih kasohor Rancaupas. Rancaupas aslina mah sanes tempat cicing rusa hungkul, tapi aya oge tempat kanggo kemping jeung tempat ngojay cai panas. Lokasina teu pati jauh ti Bandung, biasana urang merlukeun waktos kurang leuwih dua jam. Rancaupas gaduh pintonan anu sae pisan, teu heran seeur nu make rancaupas kanggo poto pre-wedding lantaran katingalna sapertos di luar negeri. Urang oge tiasa poto jeung rusa sabari maraban wortel ka rusa.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4183", "text": "Acara adat teu sakabehna acara keur senang senang atawa acara wujud syukur hungkul, di bali aya upacara adat ngaben. Upacara ngaben tradisional nyaéta upacara ngaben pikeun umat Hindu di Bali. Ritual atawa upacara adatieu dilaksanakeun pikeun mulangkeun arwah ka karuhun ka tempat asalna. Tujuan tina upacara ngaben ragha salira sangkan bisa dipulangkeun ka asal, nya eta lima alam maha buthadi jeung supaya atma gancang indit ka alam pitra dina kapercayaan agama hindu. Prosesi kremasi dilaksanakeun antara tilu nepi ka tujuh poe saengges mayit maot, tapi aya ogé anu dilaksanakeun sabulan saengges mayit maot. Ieu bisa kajadian kusabab kasiapan kulawarga nu di tinggalkeuna, soalna biaya anu di pake keur acara adat ngaben ieu teu saeutik. Sanggeus prosés kremasi, lebu dikumbah ka laut atawa walungan. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "139", "text": "Hotel Aston salah sahiji tempat mondok nu aya di Kota Bandung, posisina teu jauh ti panto kaluar tol Pasteur. Lokasina strategis, deukeut ka Mall, atawa ka tempat wisata siga Dago jeung Lembang. Lobi na gede, aya tempat diuk anu empuk. Kitu oge kamarna lega pisan, aya dua kasur, korsi anu bisa ningali ka kolam renang, kulkas, lomari pakean, cai panas, jeung sajabana. Fasilitas umum oge lengkep, aya kolam renang, gym, jueng haratis sarapan. Sarapanna ararenak jeung seger. Aya Tomyam, Fish PIcatta, ayam panggang madu, jeung dahareun nu sejenna. Hotelna beresih jeung nyaman, resepsionisna someah. Lamun renang oge geus disadiakeun toilet umum jang ngabilas, jeung andukna oge geus disadiakeun, tinggal make.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2008", "text": "Aya loba hal anu bisa dipigawé bari ngarasakeun posisi bohong nurutkeun versi abdi. Sababaraha di antarana nyaéta: Maca buku, enya, kuring sering ngalakukeun ieu nalika kuring gaduh seueur buku. Éra upami anjeun henteu maca kusabab anjeun ngagaleuh ku harga anu luhur (enya, éta ogé henteu mahal). Salancar di internet, tapi lain eusi naon wae, biasana mah hobi muka artikel di Wikipedia. Naon waé topik artikelna, upami éta pikaresepeun, kuring bakal mukakeunana sanaos kuring henteu maca sadayana. Nonton Youtube, kusabab kuring resep sains sareng teknologi, sababaraha saluran Youtube anu sering kuring resep diantarana Vsauce, Smarter Every Day, Veritasium, Numberphile sareng seueur deui.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7908", "text": "Dina nyiapkeun dana darurat, urang kedah terang sabaraha artos anu urang kedah kumpulkeun, maka urang oge kedah nangtukeun waktos pikeun ngahontal dana ieu. Ieu lumaku lamun urang teu boga tabungan dana darurat pisan. Nyiapkeun dana darurat urang kedah ngamimitian ti enol pisan, sareng urang oge kedah mikirkeun perkiraan waktos anu pas supados urang langsung tiasa gaduh dana darurat. Mangsa waktos pikeun ngumpulkeun dana darurat, tangtosna, bakal kapangaruhan ku jumlah panghasilan anu urang gaduh. Leuwih gede nominal panghasilan urang, bakal leuwih lila oge periode pikeun ngumpulkeun dana ieu jeung sabalikna. Saena mah urang kedah saenggalna pikeun ngumpulkeun dana ieu gancang-gancang sabab urang henteu terang iraha kaayaan darurat bakal kajadian.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4108", "text": "Nabi Isma'il 'alaihis salam nyaeta putra Nabi Ibrahim ti istrina anu ngarana siti Hajar. Allah maréntahkeun Ibrahim pikeun nempatkeun Hajar jeung orokna Ismail di lebak Mekah anu dina waktu éta gersang panas pisan, teu aya tangkal jeung teu dicicingan, nabi ibrahim nurutkeun parentah Allah, didinya ismail ceurik kapanasan jeung kahausan jadi lah siti hajaar lulumpatan ti bukit shafa ka marwah pikeun neangan cai keur budakna nepika ayeuna lulumpatan ti bukit shafa ka marwah di jadikeun rangkaian ibadah haji nyaeta sa'i. ti peristiwa eta oge anu akhirna munculkeun cai zam-zam ti suku ismail aku kukusekkan tina taneuh. Meski beurat hatena tapi nabi ibrahim ngajalankeun kabeh parentah Allah. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "78", "text": "Peralatan masak di dapur nu dipake unggal poe aya batas masa pakena. Misalna elap jeung busa jang ngumbang piring kudu diganti saminggu sakali nepika dua minggu sakali. Talenan oge kudu diganti, boh eta talenan awi, plastik, atawa batu. Tapi nu kudu diperhatikeun teh bahan dahareun nu diolahna, misalna talenan daging beda jeung talenan sayuran. Jadi kudu diganti talenan lamun geus katinggali luntur atawa ruksak. Panci jeung katel biasana ngan tahan sakitar 5 taun anu anti rapet. Lamun kaayaanna geus moletek jeung luhurna geus bolong kudu geura-geura diganti ngameh teu mangaruhan fungsi jeung kagunaanna. Nu terakhir rak bumbu, ganti rak bumbu sakitar dalapan bulan nepika hiji atawa dua taun sakali.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8030", "text": "Maen bal tos jadi olaharga nu pang diresep Asep ti leuleutik. Kagiatan Asep unggal sore nyaeta maen bal. Maen bal na teu siga maen bal profesional nu di stadion, cekap dilapang sakola atawa di sawah garing tukangeun imah. Suku lalecet mah tos biasa kusabab maenna teu make sapatu alias nyeker. Teu aya aturan paulinan nu pasti, ngan saukur paloba-loba goal sareng maenna tong kasar. Raribut sasama pemain mah tos biasa teu aya nu serius, poe isukanna ge geus barageur deui. Maen sapuasna nika waktosna magrib, baralik sakalian siap-siap diajar ngaji. Asep ngemut-ngemutan endah sareng rame pisan maen bal keur leutik teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9040", "text": "Hal kadua anu urang kéngingkeun nalika damel di kantor nyaéta ngasah komunikasi interpersonal sareng intrapersonal. Anu namina pagawéan kantor, anu pasti bakal aya hubunganana sareng seueur jalma, janten anggota divisi anjeun, divisi sanés, ka jajaran manajerial, sareng klien. Sacara teu langsung, pasti kaahlian interpersonal anjeun bakal dilatih sareng padamelan kantor anu anjeun lakukeun. Contona, kamampuhan pikeun komunikasi boh verbal jeung nonverbal, negosiasi, nepi ka kamampuhan pikeun ngarti kaayaan jeung ngamotivasi batur. Nuluykeun berinteraksi sareng jalma séjén nalika anjeun damel di kantor bakal ngalatih diri, ku kituna anjeun tiasa gaduh kaahlian interpersonal anu langkung saé. Salian interpersonal, karya kantor bakal ngasah kaahlian intrapersonal ogé. Anjeun tiasa langkung ngartos kana diri anjeun, kumaha cara anu paling hadé pikeun damel dumasar kana diri anjeun. Sagedengeun ti eta, anjeun ogé bakal ngalaman rupa-rupa pangalaman anu patali jeung posisi pausahaan anjeun sarta garis bisnis, sarta jadi leuwih kreatif sabab diwajibkeun mawa kaluar gagasan pangalusna anjeun salila digawé.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2307", "text": "Puasa dina basa hartina nahan diri, sedengkeun dina istilah hartina ibadah ka Alloh SWT ku cara nahan diri tina dahar, nginum, kalakuan nu goreng, jeung puasa nu ngabatalkeun sejenna, ti mimiti panon poe nepi ka surup. Puasa dina Islam mangrupa salah sahiji ibadah wajib anu geus dicontokeun ku Rosuluallah SAW minangka wujud kataatan ka umat Islam dina ngalaksanakeun parentah Alloh, puasa anu dilaksanakeun dina bulan suci Ramadhan biasana jumlahna 29 nepi ka 30 poé. Puasa dina sasih Ramadhan tiasa mupus kasalahan atanapi dosa anu parantos dilakukeun ku umat Islam salami dilaksanakeun kalayan iman sareng leres-leres ngarepkeun pahala sareng ridho ti Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "463", "text": "Ayeuna loba mushaf alquran anu aya di masarakan, tapi sacara umum mah, mushaf alquran dibagi jadi 3 jenis. Nu kahiji, mushaf alquran standar utsmani, mushaf ieu anu mimiti jeung loba dikenal masarakat luas. Mushaf ieu mangrupakeun alquran anu ditulis pas masa khalifah Utsman bin Affan. Nu kadua mushaf alquran standar bahriyah, jang umat muslim nu diajar di pasantren mah mushaf alquran ieu digunakeun jeung ditetepkeun jadi salah sahiji jenis mushaf standar Indonesia jang ngafasilitasan para santri jeung masarakat nu rek ngapalkeun alquran. Nu katilu aya mushaf alquran standar braille, ieu mangrupakeun salah sahiji mushaf anu ditulis ku simbol barille. Jenis ieu kanggo tunanetra atawa nu mibogaan gangguan ninggali.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5769", "text": "Salah sahiji ajang pertandingan olahraga anu dinanti-nanti pisan ku para atlet nyaeta PON (Pekan Olahraga Nasional). PON dilaksanakeun rutin setiap opat taun sakali nu diikuti ku seluruh provinsi nu aya di Indonesia. PON ieu teh dilaksanakeun ku Komite Olahraga Nasional Indonesia. Dina tingkat nasional, event olahraga ieu teh jadi puncak pencapaian bagi para atlet sabab bisa ngahantarkeun ka jenjang atawa tingkatan setelahna nu leuwih tinggi. Biasana ieu event teh ditunggu-tunggu pisan sabab bisa dibilang pestana para atlet. Kabeh kamampuan jeung katerampilan atlet bakal diuji kamahirannana didieu. Mun meunang teh bakal loba meunang apresiasi sabab gengsi event na nu luar biasa.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6502", "text": "Abdi mah gaduh rerencangan teh sok tara asa-asa kana nanaon teh, sok babarengan we di tanah rantau teh. Hirup bareng, kamar barengan, malahan mah mun gering ge sok silih rawatan. Jadi jeung babaturan teh geus asa ka dulur da geus euweuh kata canggung deui. Pernah nepi ka gering parah ge diuruskeun nepi ka damang jeung jagjag deui. Malahan hubungan jeung orang tua masing-masing ge sok silih kabaran da geus asa ka kolot sorangan deuihan jadi geus teu asa ka batur. Tuluy mun keur balik ti rantau ge sok silih longokan sabab da teu pararuguh mun teu silih kunjungan ka imah masing-masing teh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4101", "text": "Nabi Adam AS jeung Siti Hawa nyaeta manusa mimit nu di ciptakeun ku Allah SWT. Nabi Adam jeung siti hawa asalna cicing di surga babarengan jeung malaikat, jin jeung sajabana. Sétan anu mimitina ogé cicing di surga anu tuluy diusir ti sawarga lantaran sombong jeung henteu ngalaksanakeun paréntah Alloh pikeun sujud ka Adam. Adam jeung Hawa ogé saterusna turun ka dunya sanggeus ngalanggar larangan Allah ku ngadahar buah anu dilarang di surga nyaeta buah holdi alatan godaan ti Iblis. Iblis jeung turunan Adam jadi musuh sumpah nepi ka poé kiamat. Allah nyarioskeun ieu dina seueur ayat Al Qur'an diantarana: QS. Al Baqarah 30-39, QS. Al A'raf 11-25, Al Hijr 26-44, Al Isra' 61-65, Al Kahfi 50, Thaha 115-126, sareng Shad 67-88.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6130", "text": "Zaman ayeuna mah hoyong icalan ge teu kedah ngantosan gaduh modal usaha nyalira. Aya loba cara nu bisa silakukeun, salah sahijina teh nyaeta afilliate. Tah sistem ieu teh mangrupakeun perantara antara penjual jeung pembeli. Teu beda jauh jeung reseller, afilliate mah tinggal posting dina marketplace, tuluy tinggal ngahubungi penjual amun geus aya nu pesen. Jadi, tinggal muka lapak di marketplace hungkul jeung tinggal nyasuaikeun barang jeung pesenan. Jadi usaha nu kieu mah moal kenal rugi, sabab teu make modal jeung moal nyimpen barang, jadi bisa ngaminimalisir karugian. Mantak cocok pisan usaha ieu jang jalma anu hayang usaha tapi teu gaduh modal atawa barang jang diical.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "951", "text": "Baheulana dina dunya fotografi ngan wanoh 2 istilah kamera, nyaeta analog jeung digital. Ayeuna beuk mekarna teknologi, aya pilihan sejen nu leuwih dipikaresep ku rumaja. Kamera ieu disebut kamera mirrorless. Mirrorless nyaeta kamera nu teu mibogaan cermin jeung jendela bidik viewfinder, teu siga kamera DSLR, ngan kualitas gambarna mah satara sabab image sensor nu digunakeunna sarua gede. Jadi bisa babari ninggali gambar nu rek difoto sacara langsung dina LCD kamera. Ku sabab kitu, ukuran kamera mirrorrless bisa leuwih leutik jeung hampang tibatan kamera DSLR jeung oge tetep bisa diganti lensa. Jadi kamera mirrorless mangrupakeun hiji kamera nu mibogaan sistem nu hampir sarua jeung kamera DSLR tapi dina bentukna mah kamera ieu leuwih leutik.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6492", "text": "Fiersa Besari teh salah sahiji musisi nu oge osok mendaki gunung di saluruh Indonesia. Anjeunna kagabung kana #eigerfriend jeung terkenal ku ekspedisina dina naklukeun gunung tertinggi di saluruh provinsi di Indonesia. Ekspedisina teh dinamian Ekspedisi Atap Negeri nu ditayangkeun unggal uploadna teh di Youtube. Salian kur mendaki, anjeunna ge sering ngabagikeun tips jeung trick di gunung nu dilakukeun sacara teu langsung. Fiersa Besari oge aktif dina ngaedukasi soal naklukeun sagala kondisi gunung nu boga kamenarikan sorangan di unggal tempatna. Dina video nu ditayangkeun ku anjeunna ge salian bisa nyukupan aspek hiburan, oge bisa nyukupan aspek wawasan ngeunaan gunung jeung alam bebas.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3951", "text": "Bogor loba pisan potongan kahyangan nu sok matak pikaheraneun panon para penikmatna. Salah sahiji surga disumputkeun anu aya di Bogor nyaéta Curug Leuwi Balong Endah. Tina ngaran waé, éta parantos ngajelaskeun kumaha éndahna tempat ieu. Tah, 'balong' sorangan hartina balong, 'endah' ​​ditafsirkeun éndah. Curug Leuwi Balong Endah bener-bener nampilkeun tempat anu éndah pisan anu bisa nyugemakeun para penikmat wisata cai. Curug ieu aya di wewengkon Taman Nasional Gunung Halimun Salak. Tepatna di Désa Gunung Picung Kacamatan Pamijahan Kabupatén Bogor. Lokasi ieu masih aya di leuweung anu pinuh ku tatangkalan, otomatis pamandangan di sabudeureunana masih alami pisan, hejo dimana-mana sarta hawana tiis pisan. Hudang pisan sakali ka endahana. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2668", "text": "Sabaraha biaya upami abdi hoyong ngamimitian maén golf? Anu pangheulana meuli téh iteuk. Stik golf nu bisa dibeuli dipaké tapi ti merek nu dipikawanoh kayaning Taylormade, Titleist, Callaway jsb dina kaayaan alus. Bisa meunang satengah harga sarta kadangkala langkung mirah. Contona, 1 set golf (14 batang jeung 1 kantong) bisa dibanderol Rp. 8–12 juta rupiah. Tapi loba nu malah langkung mirah, ku meuli hiji stik nu heubeul jeung urut. Sanajan kitu, stik golf heubeul boga téhnologi langkung heubeul nu teu pisan nyaman dipaké ayeuna. janten kudu di pikiran kayaning alat-alat golf teh kumaha mendingna, misalkan jang hobi atanapi jang bisnis nu nyiptakeun ka puguh jang nu alus.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3958", "text": "Tempat wisata anu terkenal rame atawa viral sabenerna tempat anu kakarek kanyahoan bahwa eta tempat teh alus, terus loba nu daratang kadinya. Situ buleud atawa ayeuna di sebut taman sri baduga kaasup tempat wisata anu rame jeung viral di purwakarta. Baheula mah samameh situ buleud di revitalisasi kaayaana ruksak jeung sepi da teu awa nanaon. Biasana situ buleud baheula di jadikeun tempat pikeun tes lari lamun di sakola paranti nilai ujian praktek pellajaran penjaskes. Saenggesna di revitalisasi di jadikeun alus sakitarna di pelak tatangkalan jadia sri terus di ayakaeun pertujukan air mancur makin terkenal jeung viral situ buleud atawa anu ayeuna di sebut taman sri baduga.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6707", "text": "Lamun urang ngabahas ngeunaan kadaharan laut atawa seafood biasana urang tara ngabahas rumput laut, padahal rumput laut oge kaasup kadaharan anu asalna ti laut, janten tiasa disebut seafood. Aya hiji olahan ti rumput laut anu paling kasohor nyaeta nori , nyaeta rumput laut anu dipoe nepika garing. Nori biasana dipake ngadamel sushi, nyaeta sangu anu digulung. Rumput laut oge aya nu dijadikeun ager nu biasa di campurkeun ka sop buah. Aya oge menu dahareun nu asalna ti Korea, nyaeta sop rumput laut anu dijieun ti rumput laut garing anu dikulub make bumbu. Sop rumput laut biasana diemam pas aya nu ulang taun. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2241", "text": "Salian ti sarat, aya ogé anu disebut rukun shalat anu kudu kauninga saméméh paham kana tata cara shalat, nyaéta: Nangtung pikeun jalma anu masih sanggup, maca niat dina haté, ucapkeun takbirotul ihram (takbir kahiji), Baca Surah Al-Fatihah dina unggal rakaat, Ruku jeung tumaninah, Maca, iktidal sanggeus ruku jeung tumaninah, Ngajalanan sujud 2 kali, Diuk diantara dua sujud, Diuk tasyahud ahir, Baca solat tasyahud ahir, Baca sholawat Nabi Muhammad SAW dina tasyahud ahir, salam heula. Kudu rutin ngalaksanakeun rukun shalat sacara berurutan. Sakumaha anu dijelaskeun sateuacana, aya 5 waktos sholat anu wajib dilaksanakeun ku unggal muslim. Aya deui dina firman Alloh anu ungelna: “Ngagungkeun Allah nalika maranéh soré jeung waktu subuh. Sareng kagungan-Na sagala puji di langit sareng di bumi sareng nalika anjeun sonten sareng nalika anjeun nuju Zuhur.\" (QS. Ar-Rum: 17-18).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5857", "text": "Ayeuna mah mesin cuci teh lain wae nu manual, tapi aya oge mesin cuci otomatis nu dijual dina harga murah. Mesin cuci manual mah biasana ngan aya hiji tabung nu fungsina jeung nyeuseuh oge jeung ngeringkeun seuseuhan. Mun mesin cuci manual mah kudu dikontrol ku nyalira, tah mesin cuci otomatis mah tinggal ngeklik tombol start, jeung atur mode pencucian, ke ge sok nyeuseuh jeung ngeringkeun sorangan sacara otomatis, jadi teu kudu ditungguan. Biasana dina mesin cuci otomatis mah aya tombol jang ngatur mode pencucian, jumlah pencucian, jeung mode spin na jiga kumaha. Mesin cuci otomatis mah kudu on terus caina supaya terus kabilas seuseuhan nana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2759", "text": "Geus pernah kuring meuli laptop thinkpad kadua anu katahanana geus dipikawanoh. cocog pikeun digawé lapangan. waktos éta kuring meuli thinkpad x240 dina 2018. nalika kuring pilari taun kalurna nyaéta sabudeureun 2014. sarta nepi ka ayeuna kuring masih ngagunakeun eta. kumargi tos lami, aya sababaraha suku cadang anu ku abdi digentos, sapertos aki sareng kipas anu atos. Saran kuring meuli laptop bekas, neangan laptop di kelas bisnis, kayaning HP Elitebook, Lenovo Thinkpad, Dell Latitude. sabab kuring parantos nganggo tilu laptop ieu sareng aranjeunna langkung saé tibatan laptop konsumen biasa. Janten upami ngagaleuh bekas, panginten salami teu jauh teuing sareng taunna dileupaskeun, éta masih patut dina pamanggih kuring.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9588", "text": "Tempat jajanan kuliner di daerah Kalibata sok rame wae tiap sore nepi ka wengi. Seueur jajanan anu aya di tempat pusat kuliner ieu. Sapanjang jalan aya wae makanan anu bisa ngabibita urang jang jajan. Teu salah lamun tempat ieu sering didatangan ku masyarakat anu nembe uih damel da tempatna anu caketan sareng Stasiun Kalibata. Ngan hanjakalna sapaparat jalan di tempat kuliner ieu peneranganna teu merata. Aya sababaraha stand anu teu kacaangan ku lampu, meren bisa jadi jauh tina sumber colokan listrik. Kukituna diharapkeun ka payunna penanggung jawab anu nyepengan pusat kuliner di Kalibata ieu tiasa masih penerangan lampu anu merata di sapaparapat jalan anu icalan kuliner.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5380", "text": "Kitab Weda nyaeta kitab suci umat Hindu nu ditulisna ngangge bahasa Sanskerta. Dina kitab Weda ajaran na kabagi jadi opat bagean utama. Nu kajihi nyaeta Regweda, eusina syair pupujian ka Dewa. Mantra atawa pupujian eta teh dilantunkeun supaya Dewa hadir dina upacara kaagamaanna. Nu kadua nyaeta Samaweda, eusina pupujian sarua jeung Regweda ngan dina bentuk lalaguan. Nu katilu nyaeta Yajurweda, eusina doa keur nganteur sasaji ka para Dewa. Biasana mangrupa yajus atawa rapal u digunakeun jang ngubah kurban nu jadi santapan Dewa. Nu kaopat nyaeta Atharwaweda, eusina mantra sakti jeung ilmu ghaib nu fungsina jang nyageurkeun nu udur oge ngajauhkeun tinu sagala marabahaya.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8071", "text": "Upami hoyong olahraga teu kudu olahraga nu ekstrim-ekstrim, cekap olahraga normal we nu biasana batur lakukeun. Olahraga ekstrim teh risikona ageung pisan, sanes risiko cidera hungkul nanging oge risiko maot nu ageung. Sanajan tos diantisipasi ku alat pengaman ge tetep we nu ngarana cilaka mah eweh nu nyaho. Urang salaku jalmi ngan tiasa ngurangan risiko tina cilaka. Di Indonesia ge peminat olahraga ekstrim teu loba janten tara aya kompetisi nu tiasa dimenangkeun pikeun janten kareueusan. Olahraga ekstrim mah biasana ngan saukur rame dikomunitasna hungkul. Kusabab kitu olahraga ekstrim ngan aya hiji dua hungkul nu dinaungi ku Menpora, sapertos panjat tebing. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "109", "text": "Geopark Stone Garden, wisata bersejarah anu aya di Citatah Padalarang. Tempatna teh makin alus. Pemandanganna endah, batu-batuna garede nu nyusuh rapih. Pemandanganna oge hejo, udarana sejuk. Bisa ningali pemandangan Kota Bandung didieu. Ti Kota Bandung bisa nempuh perjalanan sajam satengah. Harga tiketna mayar Rp 12.000 ditambah parkira motor Rp 5.000, murah pokona di Bandung Barat mah euweuh nu mahal. Leumpang saeutik ti parkiran ge geus nepi. Sabab tempatna di ketinggian, jadi kudu nyiapkeun kacamata lantaran bakal serab ku panon poe. Lamun kadieu cocokna sore datangna, ngameh teu panas, jeung bisa ninggali sunset. Didieu ge aya jembatan pelangi anu fungsina jang penghubung ti papada gawir.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9402", "text": "Saenggeus ngadatangan restoran anyar di ieu kota, Kuring yakin yen ieu teh salah sahiji restoran nu miboga kualitas nu terjamin. Tempatna anu nyaman tur bersih, palayan anu ramah jeung gesit dina ngalayanan pesenan nambahan pangalaman anu nyugemakeun. Sajaba ti eta, menu nu disadiakeun di dieu rupa-rupa sarta dijieun tina bahan kualitas nu alus, kayaning burger jeung daging sapi pilihan nu seger jeung hipu tur nyerep pisan samarana. Rupa-rupa minuman anu seger oge nyieun pangalaman dahar jadi lengkep pisan. Harga anu ditawarkeun oge lumayan kajangkau, jadi mere pangalaman anu alus. Kuring yakin yen restoran ieu bakal jadi salah sahiji tempat favorit kuring dahar di mangsa nu bakal datang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4023", "text": "Unggal poe minggu urang tara kamana-mana sok di imah wae, biasana urang di imah sok neangan kagiatan anu sakirana urang resep. Nyaeta ngagambar, urang resep pisan ngagambar. Ngagambar naon wae, biasana sok ngagambar hal anu ku urang resep atawa hal anu aya di pikiran. Jiga minggu kamari urang ngagambar artis korea ngarana teh mark, trus minggu ieu mah urang ngagambar si jaemin. Sabenerna mah ngagambar naon wae ge urang bisa, nepika babaturan sok hayang di pang gambarkeun ku urang. Mun keur ngajar ge di kelas, murid urang sok menta di pang gambarkeun. Aya nu menta pang gambarkeun robot, ucing, manuk, mobil, imah, pokona mah macem-macem. Tapi ti dinya urang jadi lancar jeung biasa mun ngagambar naon wae teh, teu kudu nempo kanu hp. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3062", "text": "Naha anjeun terang? Pangembangan internét sapertos ayeuna parantos muka kasempetan pikeun usaha ogé, anjeun terang. Média sosial gratis, situs wéb sareng blog tiasa ngabantosan anjeun ngajual online kalayan gampang. Ku kituna, pikeun anjeun anu rék muka usaha, ieu tips jualan online anu bisa langsung dilarapkeun.\r\na. Tuturkeun trend mimiti\r\nRecognizing trend cukup mimiti bisa jadi win badag pikeun anjeun. Sabab bisa ngajadikeun anjeun jalma kahiji, jadi bisa mangaruhan kapercayaan customer.\r\nb. Identipikasi segmentation tina kategori pasar\r\nBagian ieu mangrupikeun hal anu anjeun teu kedah hilap. Ku nangtukeun kategori pasar atanapi jinis palanggan, éta tiasa ngajantenkeun produk anu anjeun jual langkung gampang dipendakan. Salaku conto, upami anjeun gaduh produk dina bentuk alat makeup, maka anjeun tiasa nargétkeun palanggan awéwé. Ku fokus kana kategori parabot kageulisan, bagéan konsumén Anjeun sasaran bisa kabentuk ogé.\r\nc. Nerapkeun konsép titik jual unik\r\nDina istilah basajan USP ngajadikeun produk Anjeun atawa jasa leuwih unik tur pikaresepeun ti batur.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3561", "text": "Dina agama Islam, tatangga ngabogaan hak-hak anu tangtu sakumaha anu kasebut dina sababaraha hadits Rasulullah SAW, saperti hak ngarasa aman tina gangguan. Dina ajaran Islam, hak tatangga ka tatanggana kacida gedéna. Islam nyieun pedoman tatangga. 1. Hayu Kahiji Salam. Nyuhunkeun salam heula nyaeta ayab tatangga anu munggaran. Sajaba ti éta, salam nalika pasamoan dianggap sopan dina kabiasaan sapopoé. Tatangga dijurungkeun pikeun silih salamkeun nalika panggih ku cara ngucapkeun salam. Pikeun jalma anu miheulaan salam, maka sacara moral éta hadé sahingga meunang leuwih kahadean. 2. Ulah Ngaganggu Tatangga. Meunang gangguan ti luar tangtos pisan keuheul, leres Ibu? Ku sabab kitu, teu silih campur téh mangrupa tatakrama tatangga anu kudu dipilampah ku umat Islam anu hadé. Ieu bakal nunjukkeun yén aya silih hormat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2313", "text": "Zakat panghasilan atawa ogé katelah zakat profésional; zakat panghasilan mangrupa bagian tina zakat mal anu wajib dikaluarkeun tina asset asalna tina panghasilan biasa / panghasilan tina pagawean anu teu ngalanggar syariah. Fatwa Majelis Ulama Indonesia (MUI) nétélakeun, panghasilan anu dimaksud nyaéta sagala panghasilan saperti gajih, honorarium, upah, jasa, jeung sajabana anu dimeunangkeun ku cara halal, boh sacara rutin saperti aparat nagara, pagawé, pagawé, jeung non -rutin kayaning dokter, ahli hukum, konsultan, jeung sajabana, kitu ogé panghasilan diturunkeun tina karya bebas lianna. Aya seueur jinis profesi anu mayar biasa atanapi henteu, kalayan panghasilan anu sami sareng henteu unggal bulan. Aya seueur jinis profesi anu mayar biasa atanapi henteu, kalayan panghasilan anu sami sareng henteu unggal bulan. Lamun panghasilan dina 1 bulan teu ngahontal nishab, mangka panghasilan salila 1 taun dikumpulkeun atawa diitung, mangka dibayar zakat lamun panghasilan bersih cukup nishab.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4168", "text": "Upacara Mepandes Mepandes, Metatah, atawa Mesangih atawa Upacara motong huntu mangrupa ritual agama Hindu di Bali. Upacara ieu dilaksanakeun budak anu umur rumaja atawa dewasa. Upacara motong huntu di Bali mangrupa bagian tina Manusa Yadnya. Ieu konsép siklus kahirupan ti orok dina kandungan, kalahiran, nepi ka nikah. Manusa Yadnya mangrupa falsafah pikeun ngamanusakeun manusa. Upacara motong huntu di Bali téh lain hartina. Motong huntu hartina manggihan alam manusa sarta dileupaskeun tina Sad Ripu. Sad Ripu nyaéta genep rupa musuh manusa anu timbul alatan kalakuan goréng. Ieu di handap aya genep rupa musuh: Kama: kahayang atawa ngalajur hawa nafsu Lobha: sipat sarakah Krodha: ambek jeung dendam Mada: mabok Moha: bingung jeung sombong Matsarya: dengki jeung dengki alus teu bener. Dina kapercayaan Hindu, tilu ti genep musuh dipercaya jadi gerbang naraka. Tilu musuh nyaéta Kama, Krodha, jeung Lobha. Ieu dinyatakeun dina Bhagavad Gita. Budaya motong waos ieu dilaksanakeun salaku doa sareng ritual pikeun ngahudangkeun kakuatan spiritual ngalawan genep musuh. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7416", "text": "Aya seeur pilihan kaulinan dina komputer anu tiasa dimaenkeun ku saha wae, utamana kanggo anu resep kaulinan anu aya hubunganna sareng dahareun, salah sahijina nyaeta kaulinan Pizza Frenzy anu dijieun ku Game House. Di kaulinan ieu urang tiasa nyieun pizza sakumaha kahayang urang teras diical di hiji tempat. Urang oge anu janten tukang nganteur pizza ieu ka saha-saha wae anu mesen. Anu janten daya tarik nyeta urang tinggal mencet-mencet hungkul pesenan sareng artos anu dipasihan ku nu meser. Di bagian akhirna urang tiasa nyandak artos anu ngapung ti balon udara. Urang oge tiasa ngahias pizza sakumaha kayang urang teras bakal dinilai ku chef. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2349", "text": "Henteu aya anu unik ngeunaan imah tradisional di Indonésia. Sakabéh imah adat boga ciri jeung kaunikan sorangan nu teu bisa dibandingkeun. Kuring ngan bakal ngabahas hiji anu unik, kuring kabeneran meunang tugas ti Sajarah Arsitéktur Nusantara anu ngabahas arsitektur vernakular ieu. Nepangkeun, Tongkonan, imah adat Toraja tempat hirup jeung maot dina hiji hateup. Aya saha ti Suku Toraja? Tongkonan asalna tina kecap tongkon anu hartina diuk. Tongkonan hartina tempat diuk. Kitu cenah, istilah ieu muncul dumasar kana fungsi utama imah adat Tongkonan anu mindeng dijadikeun tempat ngumpulna raja jeung bangsawan. Tongkonan nyaéta imah adat nu dijieun tina kai uru. Tangkal Uru memang loba tumuwuh di Sulawesi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6103", "text": "Jihan mangrupakeun salah sahiji karyawan tetap di PT Karya Intertek Kencana. Jihan teh nempatan posisi administrasi. Proyek ayeuna teh nuju dilaksanakeun di Cikarang, jadi Jihan miluan diditu. Biasa na mah Jihan sok tinggal di mess nu disadiakeun ku perusahaan. Mun beres sholat subuh teh sok langsung masak jang sarapan tuluy jang ngeusian bento oge jang dibekel ka kantor. Mun balik gawe teh sok langsung beberes kamar tuluy beberesih awak. Jihan tara ulin pisan ai lain poe libur dipake jang balik ka lembur mah. Balikna ge jarang pisan, paling sok dua bulan sakali. Mun keur ngambil jatah cuti na mah sok nepi ka saminggu di lembur teh.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2301", "text": "Panyekel agama Kristen Protestan nyebut urang suci salaku Kitab Suci anu diwangun ku 66 bagian anu dibagi jadi dua bagian, nyaéta 39 anu asup kana Perjanjian Lama jeung 27 anu asup kana Perjanjian Anyar.\nPerjanjian Lama jeung Perjanjian Anyar dina Kitab Suci bisa salajengna dikelompokkeun kana sababaraha bagian dumasar kana gaya tulisan jeung eusi. Perjanjian lama diwangun ku lima bagian, jeung dibaca sasuai urutanna nyaeta :\nTaurat diwangun ku 5 kitab\nKitab Sajarah anu diwangun ku 12 buku\nBuku Sajak anu diwangun ku 5 buku\nKitab Para Nabi Agung anu diwangun ku 5 kitab\nAnu pamungkas, Kitab Nabi-Nabi Kecil anu diwangun ku 12 kitab.\nSaterusna, Perjanjian Anyar dikelompokkeun jadi opat bagian, nyaéta kudu dibaca sasusai urutan :\nKitab Suci diwangun ku 4 buku\nKitab Sajarah anu diwangun ku 1 buku\nSurat Para Rasul anu diwangun ku 21 buku\nSarta pamustunganana, Kitab Wahyu anu diwangun ku 1 buku", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3847", "text": "KFC Caffe nu di purwakarta teh aya di jalan veteran, posisina strategis deukeut jeung kampus urang. Biasana nun lapar, tapi males mamangkatan jauh urang sok kadinya. Tempatna gede, bersih, aya WI-FI oge cocoklah jeung nugas atau nongkrong bari ngome HP. KFC ieu beda jeung KFC nu sejen soalna didieu mah loba menu kopi jeung kueh, emng cocok sakeur nongkrong. Mun tina harga sarua wae KFC ieu jeung KFC nu sejen, teu jauh beda. Bedana ngan di konsep doang, ai KFC biasa mah kos restoran menu na ge paranti dahar jiga hayam jeung sangu, mun KFC Cafe ieu mah jiga tempat sakeur nongkrong anak muda, menu na ge kopi jeung kueh. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4021", "text": "Pilem Miracle in Cell No 7 mawa loba pesan positip anu kudu diconto ku loba jalma, nya éta rasa syukur kana naon anu dipiboga sanajan hirupna teu sampurna da hirup mah eweh nu sampurna sabenerna mah, deukeutna budak jeung bapana, anu biasana digambarkeun nyaéta kadeukeutan budak awewe jeung indungna. Tapi di dieu, kadeukeutna putri jeung bapana dicaritakeun, sakumaha ceuk paribasa, bapa téh cinta munggaran putri-Na. Pilem ieu leres-leres patut ditingali, caritana saé sareng mereun pisan, tiasa ngamotivasi seueur jalma sareng ngagambarkeun yén cinta anu paling caket sareng langgeng nyaéta kanyaah kolot sareng budakna. Akting na geus teu kudu di ragukeun vINI g bastian sukses jadi peran bapak nu boga kakurangan tapi nyaah pisan ka anak na. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5063", "text": "Di Pangandaran, aya salah sahiji transportasi wisata laut nyaeta kapal layar. Kapal ieu biasa nyebrangkeun pengunjung ti Pantai Barat ka Pantai Pasir Putih. Hagana kur salawe rebu per orang. Harga sakitu teh tos kaetang PP. Samemeh naek, urang wajib make palampung jeung kasalamatan. Naek kapal ieu teh teu tiasa upai nuju ombak pasang mah, kedah nungguan heula ombakna normal. Upami naek kapal ieu, di tengah laut tiasa eureun heula kangge popotoan dina bodi kai kenca katuhu kapal. Sensasina cocok pisan jan uji nyali, sabab pas kapal keuna ku omba teh sok nepi ka jemping, mantak reuwas nu naek. Tapi salebihna mah aman dugi ka tempat tujuan. Tah tong hilap baraya, pami ka Pangandaran wajib pisan nyobian sensasi ancul-anculan kapal kena ku ombak. Cobian meungpeung ayeuna nuju rame wisata akhir taun. Yuk geura kukumpul acis jang kaditu!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8", "text": "Hayam goreng kampung Kajojo, anu aya di Gang Asep Berlian Cicadas. Geus langganan kadieu opat taun terakhir. Hayam gorengna kampung dimasak garing, jadi nyieun bumbuna makin meresap. Sambel jeung lalabanna oge ngeunah, teu lada jadi cocok moal nepika nyeuri beuteung. Salian ti eta, tempe jeung tahu na ge juara. dimasakna oge sarua kawas goreng hayam nyaeta garing.Tempatna leutik jeung sempit, jadi mun saliwat mah moal katinggali eta tempat dahar. Lamun jam 11 bakal pinuh ku pelanggan. Sering beakeun jadi alusna mesen heula ngaliwatan WhatsApp si penjualna. Hargana ge cukup kajangkau, saporsi bisa 30-35rban. Harga ieu masih kaitung murah, sabab hayam gorengna hayam kampung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8028", "text": "Pak Haji gaduh hiiji hobi, hobina nyaeta miara manuk. Unggal poe kagiatan pak Haji nyaeta ngamandian manuk teras moe manuk di hareupeun imah na. Manuk piaraan pak Haji rupa-rupa aya tekukur, cangkurileung, toed, jeung sajabana. Pak Haji biasana ngala manuk di sawah atanapi meuli di pasar Jatinegara. Manuk-manuk nu dibogaan ku pak Haji dilatih supados jago nyanyi. Upami tos jago, manukna diical ka sasama penghobi nu sejen. Aya hiji manuk nu teu diical ku pak Haji, ngaranna Robert manuk tekukur. Robert ieu tos aya nu nawar 100 juta tapi teu diberekeun ku pak Haji kusabab ieu manuk pertama sareng manuk kanyaah pak Haji. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8292", "text": "Bisnis online mangrupikeun jinis usaha anu beuki pamenta. Henteu ngan kusabab nawiskeun artos ageung, ngajalankeun bisnis online oge henteu sesah teuing. Anjeun oge tiasa ngatur bisnis ti bumi, atanapi dimana wae anjeun hoyong. Hasilna, anjeun henteu kedah ngaluarkeun modal anu ageung pikeun ngamimitian bisnis online. Nyatana, aya sababaraha usaha online tanpa modal anu tiasa dilakukeun sareng kabuktian nguntungkeun. Contona, bisnis online anjeun tiasa dina bentuk ngajual produk batur (dropshipping), menangkeun komisi ku gabung affiliates, sarta loba nu sejenna. Tiap-tiap rupi bentuk penjualan teh tangtos ngabogaan kasesahan tur kauntungan nu benten. Janten, teu aneh yen seueur jalma ngahudang pikeun ngamimitian bisnis online.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5430", "text": "Rumah Bolon nyaeta rumah adat suku Batak Toba. Dina pembangunanna teu sembarangan sabab dibangunna teu make pondasi jiga imah biasana. Mimiti, digelar acara mangontang tukkang atawa manggil tukang, tuluy persiapkeun material bangunan ti hutan ku nu boga imah. Geus kitu, tukang mahat tihang samemeh dipasang. Geus dipahat, tihang dipasang kenca katuhu imah. Tuluy dijieun tangga di hareupeun imahbolon di tengah-tengana pisan. Geus masang tihang, tuluy ka bagean tangga nu dijieu khusus supaya mimiti asup imah teh posisina tungkul. Tuluy nembe masang dinding jeung masang suhunan. Suhunanna ditopang ku tihang tegak lurus nu disebut ninggor. Tulut di luhureun suhunan dipasangan ulu paung nu dipercaya bisa nolak bala.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9054", "text": "Gagasan pikeun ngajual di bumi anu pernah kuring lakukeun nyaéta nyieun jajanan és jelly. Cara nyieunna gampang pisan, urang ngan butuh sirop rasa buah, rasa naon wae nu aya di imah, jeli, gula, cai jeung susu. Cara nyieunna, mimitina urang nyieun jelly heula. Saatos tiis, tuang kana loyang teras tunda kana kulkas. Teras siapkeun cai sareng sirop rasa buah, seduh siropna, upami henteu amis, urang tiasa nambihan gula deui. Saatos jelly rengse, urang parut ipis-ipis sangkan jadi kawas mie. Lengkah pamungkas, urang mungkus eta es. Pertamana lebetkeun agar-agar jelly nu tadi kana plastik, teras tambahkeun sirop rasa buah. Kitu ogé jeung susu, lebetkeun heula jellyna, teras tambahkeun susu. Tong hilap disimpen dina kulkas deui supados langkung seger nalika dituang ku aranjeun. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6800", "text": "Kanggo anu mineng jeung resep lalajo di bioskop biasana sok aya diskon janten pangaos tiket na janten langkung mirah, benten lima rebu ti pangaos anu biasana. Cara na urang tiasa ngadonlod aplikasi CGV teras ngadamel akun anyar, teras janten member CGV. Biasana di aplikasi sok seeur promo anu ditawiskeun ka member. Upami urang mineng mesen tiket lalajo, urang oge bakal meunang poin jeung diskon. Tapi kanggo saha wae anu hoyong meunang tiket anu langkung mirah tapi teu hoyong ngadonlod aplikasi tiasa nitip meser ka anu gaduh member CGV. Biasana di twitter seeur anu ngajual tike lalajo di CGV anu langkung mirah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4485", "text": "Pilates mangrupikeun metode olahraga pikeun latihan fisik anu museurkeun kana rehabilitasi sareng nguatkeun awak. Prinsip Pilates nyaéta pikeun ngahijikeun pamahaman antara awak sareng jiwa supados aranjeunna damel babarengan pikeun ngabantosan nyegerkeun awak dina ngalaksanakeun kahirupan sapopoe.Pikeun ngalatih kaharmonisan awak jeung pikiran, pilates ngalibetkeun téknik engapan teratur, latihan kasaimbangan, latihan ngadalikeun gerak jeung kakuatan otot, ngawangun postur awak, jeung ngalatih konsentrasi konsentrasi. Pilates teu kaasup runtuyan latihan cardio. Inténsitas gerakan condong gaduh laju anu sedeng tanpa peryogi kagiatan anu luhur sareng beurat pikeun ngahontal hasil anu idéal tina kagiatan pilates ieu. Latihan Pilates henteu disarankeun pikeun jalma anu tekanan darah teu stabil, gaduh résiko gumpalan getih, osteoporosis parah, sareng gaduh indikasi herniated disc atanapi gangguan saraf kacepet.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2292", "text": "Dina kahirupan sosial ogé di lingkungan sakola, urang mindeng sapatemon loba béda. Misalna boga babaturan nu beda etnis, tatangga nu beda agama, jeung sajabana. Kumaha urang kudu ngokolakeun toleransi? cara na nyaeta :\n1. Nongkrong jeung babaturan kabeh teu paduli agama. Sakabeh babaturan kudu sarua, ku kituna urang kudu gotong royong sanajan urang beda kasang tukang.Jalma anu beda kapercayaan jeung agama ngahiji\n2. Ngahargaan jeung ngahargaan kana perayaan hari raya agama batur. Urang salaku umat Islam kedah ngahormatan perayaan hari raya agama anu sanés, tapi henteu tiasa milu ibadah di tempat ibadahna.\n3. Henteu ngahina jeung ngahina ajaran agama séjén. Lamun urang ngarti toleransi, tangtu urang moal ngahina batur sabab béda jeung urang.\n4. Méré kasempetan ka babaturan nu béda agama pikeun solat nurutkeun agamana masing-masing.\n5. Méré rasa aman ka jalma séjén anu keur ibadah. Lamun urang teu hayang diganggu dina ibadah, urang ogé kudu ngahargaan jalma séjén anu ibadah. Toleransi Beragama di Kalangan Pemuda", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5907", "text": "Marakna kandaraan berday listrik anu didesain jang ngurangan penggunaan bahan bakar minyak teh jadi salah sahiji perkembangan teknologi nu nuju hngat diperbincangkan. Salah sahiji contona teh nyaeta ayana sapeda listrik. Mun biasana sapeda teh sok digowes, tah ayeuna mah salian bisa digowes, oge bisa digas jiga motor. Bentukna teh jiga perpaduan antara sapeda jeung motor. Bentuk rangkana mah jiga sapeda, tapi dibekelan ku mesin berdaya listrik. Sapedana teh mun seep daya bisa diisi ulang ku mandiri. Sapeda listrik ieu ge bisa ngajangkau jarak nu leuwih jauh tibatan sapeda biasa, jeung deuih bisa dipake boncengan dua urang. Hargana ge teu pati mahal, masih dihandapeun harga motor.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8701", "text": "Kieu kumaha carana naek KRL (Karéta Rel Listrik). Kahiji, meuli tiket KRL. Anjeun tiasa meser tiket di kantor tiket atanapi nganggo mesin tiket otomatis di stasion. Sanggeus meunang tiket, asup ka stasiun KRL. Sateuacan naek KRL, pastikeun anjeun pariksa jadwal keberangkatan KRL. Saatos mariksa jadwal, angkat kana peron KRL dumasar kana rute sareng tujuan perjalanan anjeun. Saatos dugi ka peron, ngantosan KRL dugi. Sanggeus KRL nepi ka peron, naek kana KRL. Pastikeun anjeun milih gerbong anu leres dumasar kana tujuan perjalanan anjeun. Sanggeus asup ka KRL, neangan korsi nu sadia. Sanggeus diuk atawa nangtung, nungguan KRL nepi ka stasion tujuan. Sanggeus turun tina KRL, kaluar stasion ngaliwatan panto katuhu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5356", "text": "Khotbah Jumah teh nyaeta khotbah nu ayana dina samemeh pelaksanaan solat sunah jumah. Khotbah jumah dilaksanakeun na dua kali berturut-turut. Khotbah Jumah dikumandangkeun saatos adzan awal, nu nadaan atawa nyauran jamaah jang mula ngadangukeun khotbah ti khotib. Khotbah jumah dilaksanakeun kurang leuwih tujuh dugi ka sapuluh menit. Di antara khotbah kahiji jeung kadua teh dipisahkeun ku duduk sejenak. Beres khotbah kahiji sareng kadua teh langsung dilaksanakeun sholat sunah jumah. Khotbah biasana berisi materi kaagamaan nu wajib ayana nasehat jang jamaahna. Khotbah disampaikeun ku khotib nu suarana lantang sareng elmu agamana tos mahir. Khotbah jumah dilaksanakeunna dina waktu dzuhur poe Jumaah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4583", "text": "Kiwari, saha nu teu nyaho Android? Teu anéh, sabab Android nyaéta sistem operasi anu pohara populér, hususna pikeun pamaké alat sélulér. Android mangrupikeun sistem operasi (OS) anu biasa dianggo dina alat sélulér sapertos telepon sélulér sareng tablet. Sajarah Android sorangan dimimitian dina taun 2007. Waktu éta, OS ieu resmi dimekarkeun ku Open Handset Alliance, anu mangrupa konsorsium (asosiasi) diwangun ku 84 pausahaan. Sababaraha diantarana mangrupikeun perusahaan multinasional anu terkenal sapertos Google, Intel, Sony, sareng Samsung. Sanaos diwanohkeun dina taun 2007, Android énggal leres-leres dianggo sacara masal sareng peluncuran telepon sélulér Android munggaran di 2008, nyaéta HTC Dream. sistem operasi sacara umum, laksanakeun aplikasi sareng parangkat lunak, mintonkeun panganteur pamaké.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2329", "text": "Sareng kuring bakal nyarios sakedik ngeunaan pangalaman kuring nalika ngalakukeun panalungtikan di Biara. Ampir 3-4 bulan kuring ngaréngsékeun skripsi, sabab panalungtikan ngeunaan tapa, jeung tapa di ieu biara, dipigawé sabulan sakali, jadi teu bisa mudik unggal poé, sabab kudu nyaluyukeun jadwal semedi. di biara. sanajan biara diitung deukeut jeung imah kuring. Nalika ngalakukeun panalungtikan, jujur ​​kuring ngarasa nyaman jeung atmosfir dieu. Sanaos dina awalna, kuring ngarasa rada kagok lebet, sabab kuring nyandak mitra riset kuring anu nganggo jilbab sareng katingalina kontras pisan pikeun lebet, panginten. Tapi tétéla, maranéhna pisan wilujeng sumping kalawan datangna kami. teu aya, anu nganggap remeh ka urang, malahan dulur anu ku kuring tepang didinya, nyoba-nyoba menyapa kuring sanajan ngan seuri.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6792", "text": "Ayeuna acara tipi tos teu rame deui, teu siga baheula seeur pisan kartun jeung acara lulucuan anu ngahibur. Janten ayeuna mah seeur nu milih lalajo dina YouTube lantaran seeur pilihan tontonan anu rame. Di YouTube oge iklan na teu sa seeur dina tipi, jeung aya fitur YouTube premium upami hoyong ngaleungitkeun iklan. Abdi paling resep lalajo pidio papasakan jeung pidio batur keur emam. Abdi oge resep lalajo sasatoan anu lucu, oge resep lalajo carita kasus kriminal di Korea. Kadang-kadang YouTube oge janten tempat diajar lantaran seeur pisan pidio tutorial atawa cara-cara ngalakukeun hiji hal anu jentre pisan dijelaskeun na. Abdi oge sok panasaran kumaha kahirupan mahasiswa Indonesia anu kuliah di luaf negeri.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4188", "text": "Upacara adat mangrupa aset budaya di Indonésia. Upacara adat diwariskeun sacara turun-tumurun anu dilaksanakeun dumasar kana kapercayaan masarakat satempat. Masing-masing upacara adat miboga tujuan anu béda-béda, aya upacara-upacara akad nikah, kalahiran jeung maot. Indonesia ngabogaan loba pisan adat istiadat di ujung timur nepi ka ujung barat na. Acara adat terus di lakukeun nepi ka ayeuna supaya tetep lstari teu leungit. Nepika ngke anak incu urang masih keneh apal acaraacara adat kos kie. Harepanna adat ieu pasti terus di mumule tuluyku generasi generasi salajengna siga nu ges di lakukeun ku generasi sammehna nepi ka ayeuna urang ngalaman jeung ngasakeun keneh acara acara adat ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1559", "text": "Mun urang boga sato piaraan siga ucing atawa manuk, urang kudu wajib ngajagana ngameh teu ninggalkeun imah urang. Lantaran teu kabeh jelema resep sato piaraan di buruan imahna, pastina mun sato piaraan urang asup ka buruan imah tatangga, pasti ngarasa risih jeung bakal ka ganggu. Ku kituna urang kudu nyieun pager husus jang ngajaga piaraan urang meh teu kaluar ti buruan imah urang. Cara ieu bisa dilakukeun meh sato piaraan urang teu ka buruan imah tatangga deui. Lantaran baheula pas teu dijieunkeun pager, sato urang mindeng miceun kotoran di buruan tatangga anu nyebabkeun tatangga jadi ambek. Jadi ayeuna mah geus aman.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "963", "text": "Blender mangrupakeun alat elektronik mangrupa wadah kaca atawa plastik nu dilengkepan ku peso leutik dijerona. Peso ieu mibogaan fungsi nyaeta jang motong, ngocekeun, ngagiling, oge ngalemeskeun bahan kadaharan. Bisa buah-buahan, sayur, jeung bumbu masakan. Pas blender disambungkeun kana listrik jeung tombolna dihurungkeun, otomatis nu aya di bagian handap peso bakal ngagerakeun peso dina tingkat gancang anu beda-beda, aya nu rendah, sedeng, jeung maksimal. Blender listrik biasana mibogaan sora anu khas, beda deui jeung blender manual nu ku leungeun cara ngagunakeunna teh, euweuh soraan. Biasana blender teh mindeng digunakeun ku tukang jualan jus buah. Bentuk wadah jeung tombolna misah, wadahna biasana transparan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2333", "text": "Garéja Katedral Jakarta, atawa sacara resmi dingaranan Garéja Santa Maria Assumption ( basa Walanda : De Kerk van Onze Lieve Vrouwe ten Hemelopneming ; basa Inggris : The Church of Our Lady of the Assumption ) nyaéta hiji gereja Katolik di Jakarta . Wangunan garéja ieu diresmikeun dina taun 1901 sarta diwangun kalayan arsitéktur neo-gothic ti Éropa, nyaéta arsitéktur anu biasa pisan dipaké pikeun ngawangun gedong gereja sababaraha abad ka tukang.\r\n\r\nGaréja ayeuna dirarancang sareng dimimitian ku Pendeta Antonius Dijkmans sareng groundbreaking dilakukeun ku Pro-vicar, Carolus Wenneker. Karya ieu lajeng dituluykeun ku Cuypers-Hulswit nalika Dijkmans teu bisa neruskeun, lajeng diresmikeun sarta diberkahan dina 21 April 1901 ku Mgr. Edmundus Sybradus Luypen, S.J., Vikaris Apostolik Jakarta.\r\n\r\nKatedral anu urang kenal ayeuna saleresna sanes gedong garéja anu asli di éta tempat, sabab katedral anu asli diresmikeun dina bulan Pebruari 1810, tapi dina tanggal 27 Juli 1826 wangunan gereja kabeuleum sareng 180 imah di sakurilingna nalika kahuruan ageung. Saterusna dina tanggal 31 Méi 1890, gereja ambruk alatan masalah struktural, jadi kudu direnovasi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1844", "text": "Pikeun unggal dahareun anu dibuang, aya ogé biaya lingkungan anu kedah dibayar. Contona, cai sok dipaké dina unggal tahapan prosés produksi pangan. Ayeuna, sakitar 70% sumber cai tawar dunya anu sayogi dianggo pikeun nyirami pepelakan sareng ngahasilkeun tuangeun. Bungkusan sareng transportasi dahareun ogé peryogi cai. Nalika anjeun miceun tuangeun, sadaya cai éta ogé dipiceun. Kitu deui cai dina kadaharan anu dibuang, contona buah anu ngandung cai. Cai anu dibuang ieu sami sareng sakitar 170 triliun liter (atanapi 45 triliun galon) cai per taun. Numutkeun WHO, jumlah minimum cai anu dibutuhkeun ku unggal jalma per dintenna sakitar 15-20 liter. Lamun sanajan sabagian leutik tina cai nu kapiceun bisa disimpen jeung diawet-awet, éta cai bakal bisa balik deui, jang nyadiakeun cai pikeun jalma di sakuliah dunya. Ngabuang tuangeun sarua hartosna ngabuang seueur cai. Ku kituna, lamun digabungkeun, éta bisa nutupan sakabéh kaperluan cai rumah tangga di dunya.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1166", "text": "Tips cara ngajalankeun ide bisnis di imah. Nu kahiji ulah sieun gagal, tiap nu bisnis bakal nyanghareupan dua pilihan, sukses atawa gagal. Nu kadua diajar ngelola administrasi nu sae, sanajan jualan leuleutikan di imah, tapi penting oge jang diajar hal dasar tina ngelola administrasi anu sae. Jadi ulah nyampurkeun duit jualan jeung duit pribadi. Ngameh ngababarikeun kalangsungan usaha di imah nu keur di jalanan. Nu katilu pilih ide jualan nu luyu jeung minat urang, sabab mun urang bener-bener resep kana naon nu dilakukeun tangtuna bakal nyieun hirup urang leuwih bagja. Contona mun urang resep dahar atawa masak, urang bisa muka warteg.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "58", "text": "Kacang-kacangan jeung siki-sikian ngandung serat, protein, jeung vitamin B nu alus jang nurunkeun berat badan, ngajaga kasehatan kulit, nguatkeun tulang jeung huntuk jeung ngabentuk otot. Kacang-kacangan jeung siki-sikian mangrupakeun dua sumber dahareun nu ngeunah jeung babari manggihanna di mana wae oge. Teu ngan saukur ngeunah, tapi kadaharan ieu oge boga loba mangpaat jang kasehatan. Sabab ngandung cukup loba serat nu bisa ngabantuan ngalancarkeun jeung ngaberesihkeun saluran penceranaan, sarata ngabantuan berat badan. Oge mibogaan kadar protein nu gede nu mampu mere cukup energi jang beraktivitas jeung ngabantuan dina ngabentuk otot. Salian ti eta, kadaharan ieu ge ramah jang kasehatan jantung, tulang jeung huntu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6686", "text": "Jaman ayeuna urang teu kedah repot-repot ngarendos upami bade ngahaluskeun bungbu, aya alat nu tiasa ngabantosan ngahaluskeun bungbu anu gancang pisan, nyaeta blender. Blender ngagunakeun listrik supados tiasa otomatis muir, di jero na oge aya peso anu tiasa motong naon wae janten laleutik. Teu ngan saukur dipake ngahaluskeun bungbu, blender oge tiasa dipake ngadamel jus bungbuahan jeung tiasa dipake ngahaluskeun daging. Ngadamel baso nyalira di bumi janten leuwih gampang ngangge blender. Ayeuna blender tos aya rupa-rupa macemna, aya nu bahan na ti palastik, aya oge anu bahan na ti kaca. Malahan aya sababaraha merek anu masihan dua atawa tilu blender sakaligus anu masing-masingna gadung fungsi anu beda-beda.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "468", "text": "Ngahapal Alquran mibogaan kautamaan di dunya jeung di akhreat. Kautamaan di dunya nyaeta nikmat Rabbani nu datang ti Allah SWT, nu dijangjikeun kebaikan, kaberkahan, jeung kanikmatan oge elmu jang nu ngapalkeunna. Di akherat engke, salian bakal meunangkeun syafaat, nu ngapahlkeun Alquran oge meunangkeun kahormatan jang diri sorangan oge dua kolotna. Bulan Romadon teh nyaeta bulanna Alquran, ku sabab kitu alusna salaku Muslim mere porsi perhatian anu leuwih kana Alquran di bulan Romadon. Suasana jeung peluang waktu jang ngapalkeun Alquran di bulan Romadon, tangtuna bakal beda lamun dibandingkeun jeung bulan-bulan nu sejenna. Di bulan Romadon, sumanget jang beramal bakal beuki ningkat, utamana dina maca Alquran jeung sholat peuting salian ti paling intina nyaeta puasa di tengah poena.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9034", "text": "Aya sababaraha faktor pikeun kasuksésan dina ngajalankeun wirausaha. Kahiji, nyaéta ngabogaan kaparigelan wirausaha jeung ngalatih méntalitas wirausaha ti mimiti. Mibanda kaahlian salaku wirausaha tiasa janten léngkah munggaran anu leres upami anjeun hoyong janten pangusaha anu suksés. Eta sebabna mental wirausaha kedah dibentuk ti mimiti sateuacan ngawangun usaha. Kadua, boga aksés kana modal anu cukup. Ngabogaan aksés ka modal anu saé, cekap, sareng stabil bakal ngabantosan bisnis anjeun lancar sareng pasti bakal nyepetkeun prosés produksi. Modal usaha mangrupikeun salah sahiji konci supados usaha tiasa jalan sareng tetep lancar. Anjeun tiasa kénging modal ieu tina tabungan, investasi, atanapi pinjaman modal ti lembaga keuangan. Katilu, boga tekad jeung kahayang anu luhur. Kapamingpinan sareng modal nyalira henteu cekap upami anjeun hoyong janten pengusaha anu suksés. Tekad jeung kahayang nu dipiboga kudu saluhur-luhur jeung kuat sangkan teu gampang ngarasa pegat di tengah jalan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3615", "text": "Kahirupan di desa kuring. Teu aya anu ngagaleuh cai atanapi ngirit cai margi cai di kampung abdi ngalembur hehe. Cai walungan langsung ti sumberna. Deui jeung hareup imah walungan badag. Aya seueur curug, caket Danau Toba, sapanjang pasawahan sareng jalan pasir.\nHenteu seueur polusi udara. Hawa beresih, tiis.\nSimpen baju kotor, sabab biasana ngan mandi sakali sapoé alatan tiis.\nSayuran, buah, lauk loba pisan. . Puji ka Gusti.\nLauk hirup di situ\nSinyalna henteu kunanaon, tapi upami listrikna pareum, internét ogé ngaleungit. Teu acan naek tangkal kalapa milarian sinyal hehe, jaman baheula yeuh\nJalma-jalmana ramah, sanajan kuring leuwih resep jeung leuwih resep teu disapa lamun ngaliwat\nRasa duduluran masih luhur", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1959", "text": "Tempat wisata téh disebutna Talaga Herang. Tempat ieu cocog pikeun anjeun anu hoyong pisan ngarasakeun pikagumbiraeun ngojay sareng kulawarga tercinta. Anu matak pikabitaeun ngeunaan tempat wisata anu hiji ieu, anjeun bakal dibarengan ku ngojay sareng lauk, anjeun terang. Tangtu bakal jadi pangalaman unik tur béda ti biasa. Cai di talaga Talaga Herang ogé rada herang sabab sumber cai téh asalna tina cai gunung Gunung Ceremai. Tempat anu memang tiis sareng nyegerkeun dijamin masihan sensasi anu énggal nalika ngojay sareng rupa-rupa lauk. Lauk anu anjeun tiasa mendakan kalebet nila sareng lauk mas ageung. Salian ti ngojay, di Talaga Herang teu ukur bisa ngarasakeun ulin ka cai. Kusabab anjeun ogé tiasa ngaraosan pamandangan sareng bersantai di sisi danau. Leuwih ti éta, di deukeut lokasi tujuan wisata nu hiji ieu ogé aya warung jeung toko nu bisa Anjeun buka lamun ngarasa haus jeung lapar, bari ngarasakeun pintonan endah, Anjeun bisa ngarasakeun rupa-rupa jajanan jeung kadaharan nu dijual di wewengkon wisata.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2331", "text": "Aya adat nganjang sangkan nu boga tempat ibadah imah teu keuheul kana kadatangan urang. Sajaba ti éta, urang salaku tamu atawa datang bakal meunang berkah tina datangna.\nDicutat tina kaca MUI, ieu di handap aya adat-istiadat ngadatangan dina agama Islam anu kudu diperhatikeun:\n1. niat alus\nNalika nganjang, urang diwajibkeun boga niat anu sae, saperti neraskeun silaturahmi, nganjang atawa sajabana.\n2. Nyuhunkeun idin ka host sareng sumping dina waktos anu pas\nLamun geus biasa datang tanpa méré béja tanpa menta idin atawa nanya ka nu boga imah, ieu téh dianggap sikep kurang sopan.\nUtamana lamun datang lumpat, ngan mukakeun panto imah.Dua hal ieu boga hubungan anu cukup raket sabab imah teh ibarat panutup pikeun bagian pribadi pangeusina. Sangkan anu nganjang diwajibkeun menta idin sateuacanna supados resepsionis tiasa nyiapkeun kaayaan imah.\n3. Sasalaman atawa sasalaman\nSasalaman atawa sasalaman mangrupa hiji hal anu cukup penting pikeun ngahormat jeung nguatkeun tali silaturahmi antar sasama muslim.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7131", "text": "Di Indonesia loba pisan imah adat anu ngawakilan suku jeung adat istiadat di unggal daerah. Salah sahijina nyaeta Suku Baduy, suku asli masarakat Banten anu boga imah adat Sulah Nyanda. Tempatna di jero pagunungan, urang Baduy cicing di ieu imah adat anu dijieun tina kai jeung awi. Cara nyieun imah adat Sulah Nyanda dilaksanakeun ku gotong royong ngagunakeun bahan baku anu asalna ti alam. Bahan saperti kai dipake pikeun ngawangun pondasi, sedengkeun dina dasar pondasi ngagunakeun batu walungan atawa titincakan salaku pondasi. Hal unik ngeunaan pangwangunan imah ieu nyaeta diwangun nuturkeun kontur taneuh. Ieu patali jeung aturan adat anu ngawajibkeun unggal masarakat anu rek ngawangun imah ulah ngaruksak alam sabudeureun pikeun ngawangun wangunan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8853", "text": "Geus kamaklum ku urang sarerea yen dina jaman kiwari loba rumaja jeung budak leutik anu geus kacanduan ku HP. Anu jadi sababna mah nyaeta rupa-rupa kasenangan bisa dilakukan dina hp, ti mimiti maen game, tiktokan, muka medsos, chatingan jeung sajabana, anu lolobana mah meakeun waktu teu puguh. Para rumaja jeung barudak geus hese dipisahkeun tina HP. Ampir unggal poe, nu dicoo teh hp, tepika poho dahar jeung, poho kana tugas jeung sajabana ti eta. Padahal numutkeun para ahli kesehatan, radiasi cahaya tina HP teh kawilang ngabahayakeun kasehatan urang, utamina mata. Teu saeutik jaman kiwari loba budak leutik anu geus make kaca mata mineus alatan panonna loba teuing manco kana HP. Lian ti kitu, aya oge rumaja anu keuna ku panyakit gangguan jiwa ku alatan loba teuing maen game online dina HP. Dumasar kana hal ieu, kuring umajak ka balarea supaya bisa marengan jeung ngadalikeun barudak dina ngagunakeun HP. Hayu urang babarengan mere wejangan ngeunaan bahaya na HP lamun digunakeun tanpa wates. Ku cara kieu, mudah mudahan barudak urang bisa disadarkeun tina migawe pagawean anu sia -sia jeung ngabalukarkeun panyakit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5913", "text": "Salah sahiji teknologi nu muncul jeung berkembang teh nyaeta teknologi dompet digital nu didesain tina aplikasi. Jadi, seueur pengguna dompet digital anu ngarasa leuwih aman jeung leuwih simpel ngalakukeun pembauaran tina aplikasi. Mantakna, loba pisan nu berkembang pembayaran lewat aplikasi atawa cashless, jadi geus jarang pisan nu make uang cash jang babayar atawa balanja. Hal ieu tangtu ngamudahkeun pisan urusan transaksi jeung deuih ngaminimalisir maling atawa pencopetan di jalan. Mantakna, urang kudu terbiasa jeung kudu biasa ngimbangan hal ieu ku cara ngamaksimalkeun penggunaan nana! Ulah nepi ka salah kaprah komo jeung tinggaleun teknologi mah! Sabab bisa ngaririweuh jeung kababayut diri sorangan!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "47", "text": "Jahe salah sahiji tutuwuhan nu populer salaku rempah-rempah jeung bahan obat. Loba minuman khas Indonesia anu ngamangpaatkeun jahe jang bahan dasarna. Urang resep nyieun jahe komo deui lamun keur teu ngeunah tikoro atau karasa awak keur tiris. Cara nyieun teh jahe lemon nyaeta, siapkeun panci nu geus dieusian cair, panaskeun cai jeung asupkeun jahe. Tuluy masak nepi ka seungit, pareuman komporna. Tambahkeun teh tubruk, eurihkeun nepi caina robah warna. Tinggal tambahkeun potongan lemon tuluy cicingkeun nepi sari lemonna kaluar. Biasana aya kana 20 menitan. Lamun geus 20 menit, tinggal kaluarkeun potongan lemon. Ulah poho kudu dipanaskeun deui cai teh jahe na. Terakhir tinggal tambahkeun gula.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "870", "text": "Mun olahraga biasana make kostum khusus, jeung lalaki awewe dibedakeun. Baheula pas masih kelas 1 SD, ku sabab urang acan dibere baju olahraga, urang inisiatif make ku cara nginjeum ka dulur. Dulur urang ieu teh awewe, sakolana sarua di sakolaan eta. Urang menuju ka sakola teh biasana leumpang di sisi jalan. Di jalan urang diseungseurikeun ku batur soalna baju atawa kostum olahraga nu ku urang pake teh eta jang dipake awewe. Sabab baheula can ngarti, jadi pede weh make kostum eta. Tah kakara pas nepi sakola urang dibejaan yen baju olahraga nu ku urang pake teh eta mah jang awewe, sabab dibagian tuurna teh mengkerut. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "455", "text": "Poean Idul Adha atawa lebaran haji biasana rame ku anu meuncit domba atawa meuncit sapi. Biasana tiap daerah sok aya nu meuncit teh. Alusna urang salaku warga nu kudu mantuan oge dina ngarayakeun lebaran haji ieu. Mantuanna bisa ku cara jadi donatur meuli domba, atawa mun teu kaduga bisa oge miluan meuncitna ku cara nyepengan binatang nu rek dipeuncitna. Mun teu kuat ninggali getih, bisa mantuan motongan daging kurbanna. Mun misalna geuleuh nyepengan daging atah, atuh bisa ngabagikeun ka warga-warga. Euweuh alesan sabenerna pas poe lebaran haji cicing-cicing mah, lebar oge mun tanaga teu dipake jang kamaslahatan umat. Sahenteuna teu kurban make duit ge, bisa make tanaga.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "569", "text": "Ngamumule alat musik tradisional teh bisa ku cara nonton pertunjukanna. Aya wisata budaya jeung edukasi nu lengkep ngeunaan alat musik tradisional, didieu bisa ninggali pertunjukan jeung bisa ninggali oge cara nyieun angklung. Pagelaran pertunjukan seni di Saung Angklung Udjo salah sahiji pagelaran nu ulah diliwatkeun pas keur aya di Bandung. Pertunjukan ieu geus kasohor di kalangan turis mancanegara. Aya sababaraha pertunjukan nu dipintonkeun, mimiti ti wayang golek, helaran, tari topeng, orkestra, jeung sajabana. Salian ti nonton pertunjukan, bisa oge joget jeung barudak di akhir acara. Mun geus ninggali pertunjukanna, bisa oge ninggali sakaligus cara nyieun angklung. Jadi salian ti pagelaran seni, Saeung Angklung Udjo oge mangrupakeun tempat produksi angklung. Didieu bisa ninggali sakaligus nyieun sorangan angklung, jeung bisa dibawa balik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8834", "text": "Latihan Pilates ogé mangrupa olahraga anu cukup basajan pikeun ngalakukeun, kitu ogé jeung ngalenturkeun awak sakumaha dina mangpaat latihan kalenturan awak anu bisa manteng otot dina awak. Kahiji, nyaéta ngaronjatkeun konsentrasi. Konsentrasi diperlukeun nalika urang ngalakukeun latihan Pilates. Kusabab dina ngalakukeun gerakan pilates, urang henteu ngan ukur ngagerakkeun anggota awak sapertos leungeun sareng suku. Aya sababaraha metode anu urang kedah ngawasaan sateuacan ngalakukeun Pilates. Kadua, nyaéta ngadalikeun otot tonggong. Hal ieu ngamungkinkeun bék urang pikeun leuwih santai, jeung ngahindarkeun tegangan nu ngabalukarkeun urang ngarasa capé. Éta cocog pikeun urang anu biasana lila teuing gawe di meja kantor. Katilu, nyaéta nguatkeun otot beuteung. Latihan kabugaran Pilates sabenerna cukup sanggup nyieun otot beuteung anjeun kuat tur kenceng deui.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2295", "text": "Al Qur'an teh kitab suci umat Islam. Al Quran diwangun ku 114 surat, 30 juz, sareng 6.666 ayat. Al-Qur’an diturunkeun langsung ku Alloh ka Kangjeng Nabi Muhammad saw ngaliwatan Malaikat Jibril sacara bertahap salila 22 taun, 2 bulan jeung 22 poé atawa rata-rata 23 taun. Waktosna dimimitian ti tanggal 17 Ramadhan sareng dina waktos éta Nabi Muhammad yuswa 40 taun dugi ka wafat. Eusi Al Qur'an mangrupa pituduh, aya oge carita ngeunaan sajarah hiji kaum. Ayat-ayat Al Qur'an dibacakeun dina basa Arab nalika sholat. Jalma anu apal kana eusi Al Qur'an disebut Hafidz. Umat ​​Islam maca Al Qur'an dina nada jeung nurutkeun aturan atawa tajwid. Dina maham harti Al Qur'an, umat Islam ngagunakeun tafsir. Sedengkeun tempat ibadah pikeun umat Islam nyaéta masjid. Di masjid, umat Islam ngalaksanakeun solat lima waktu, solat sunnah, jeung maca Al Qur'an.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4200", "text": "Lamun keur aya acara di sakola biasana acara barudak SD boh acara samen kanaekan kelas atawa aya acara acara anu sok di rayakeun saperti ngarayakeun kartini an atawa ngarayakeun sumpah pamuda, barudak SD teh sok ngajieun acara kasenian, dina acara eta loba panampilan panampilan barudak pikeun ngahibur kolot atawa wali anu datang ka sakola. Pikeun barudak anu geus rada gede misalkeun kelas opat atawa 5 biasana nampilkeun kasenian nyanyikeun lagu daerah, Lagu daerah ieu di nyanyikeun ieu loba jeung gagantian tina sa grup nampilkeun panampilan lagu daerah ti sabaraha provinsi di indonesia. Nyanyi lagu daerah ieu mawa boga tujuan nyaeta pikeun pelajaran atawa mere nyaho lamun indonesia teh loba pisan kasenian na salah salah sajina nyaeta lagu daerah anu di nyanyikeun ieu, lagu daaerah teh loba pisan jumlahna unggal daerah provinsi di indonesia ngabogaan lagu daerah na sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5084", "text": "Mun dinten Minggu mah abdi sok beberes kamar sabab kabeneran libur damel. Mun beberes kamar teh abdi mah sok mulai ti meserihan kasur, ngaganti sprey na, jeung nyeuseuhan bantalna. Teu hilap di keprukan oge tina sagala ramat lancah nu narapel. Mun tos bere, kantun diganti sprey jeung sarung bantalna kunu anyar diseuseuh. Tah, biasana mah abdi sok nyicil. Mun ayeuna kabagean meserihan kasur, berarti minggu payunna ngaberesihan lomari, jeung sajabana. Hiji poe, abdi nyeuseuh bantal tapi poena kalah turun hujan. Deuh asa ku apes teuingan. Entos we eta bantal ku abdi diangin-anginkeun make kipas angin di jero kamar. Pelajaran jang kahareupna, mun nyeuseuhan teh kudi ningali caang henteuna poe.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "544", "text": "Pangaruh modernisasi geuningan milu mangaruhan kana kabudayaan Indonesia. Balukar modenisasi, urang poho ngeunaan bangsa ieu. Urang oge poho mun salah sahiji kabudayaan di jero negeri kudu dimumule jeung diwanohkeun nyaeta senjata tradisional. Ku sabab kitu, modernisasi ieu milu mangaruhan ayana senjata tradisional Indonesia. Pohona masarakat kana senjata tradisional bakal nyieun senjata tradisional kaleungitan kaayaanna. Pamarentah oge kudu geura-geura ilubiung dina ngabereskeun fenomena ieu. Ulah nepikeun masarakat akhirna mah teu wanoh kana senjata tradisional jeung saeutik-saeutik makna jeung produk kabudayaaan ku masarakat bakal robah. Modernisasi pasti ngarobah sababaraha hal, kaasup ayana senjata tradisional. Teu ngan saukur kitu, nu datang ka museum oge aya penurunan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "979", "text": "Jaman ayeuna mah nu beuki maju, tangtuna mibogaan robot jadi salah sahiji alat nu wajib dipiboga. Ku sabab robot bisa ngahampangkeun pagawean jelema. Aya loba robot nu diciptakeun ku jelema jang tujuan mantuan pagawean jelema. Siga robot cleaning, robot dapur, jeung nu sejenna. Jeung deuih robot mah moal mungkin bisa cape, lantaran robot geus di rancang ngameh teu eureun pas ngalakukeun pagaweanna. Robot oge gancang ngalakukeun omean. Jelema mah ngabutuhkeun waktu nu lila jang sehat deui teh mun geus gering. Teu siga robot, mun ruksak urang ngan butuh ngaganti perangkat jeung bisa diatur ulang programna. Robot oge bisa dijieun nanaon, mun jelema mibogaan dua leungeun, robot bisa dijadikeun 100 leungeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "977", "text": "Mibogaan robot jang ngepel imah tangtuna mun jarang dirawat bakal turun fungsina jeung bisa wae ruksak. Ku sabab eta, ngameh robot pelna tetep awet, aya sababaraha perawatan nu bisa dilakukeun sacara rutin. Nu mimiti dina ngarawat robot pel ieu nyaeta kudu paham cara gawena robot ieu, tujuanna ngameh bisa leuwih ngarti mun aya bagian nu teu berfungsi. Biasana aya buku panduan pas meuli robotna. Kudu oge ruting merhatikeun bagian penyaringan robot, mun bagian ieu kotor atawa jarang diberesihkeun, bakal ngakibatkeun mangpet saluran kaluar asupna aliran udara. Tuluy batre oge kudu diperhatikeun, mun batre teu berfungsi, robot bakal bakal teu optimal dina ngajalankeun pagaweanna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1169", "text": "Jualan camilan kiloan mangrupakeun salah sahiji jualan nu bisa dilakukeun di imah. Ninggali masarakat nu resep ngagayem, boh eta nu amis atawa nu asin. Loba oge jelema nu ngagayem jang maturan pagaweanna atawa ngameh beuteung teu kosong teuing. Ku sabab kitu jualan camilan kiloan miboaan potensi anu alus jang ngahasilkeun kauntungan. Cara jualan camilan kiloan paling mimiti mah kudu nyatet camilan naon wae nu bakal dijual. Urang bisa nangtukeun naha hayang camilan nu baseuh atawa nu garing, tuluy geus kitu tinggal tangtukeun rasana, naha eta rek anu amis, asin atawa haseum. Pilih oge distributor anu bener, perhatikeun oge harga nu ditawarkeun, nepikeun ka kualtias nu ditawarkeunna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7637", "text": "Sasih kahiji abdi digawe di kantor ieu abdi meunang gaji kahiji. Gaji kahiji ieu abdi langsung pasihan ka mamah jeung bapa lantaran tos ngadukung kuring kanggo miluan pelatihan jeung masihan kuring modal kanggo milarian pagawean. Gaji kahiji kuring langsung dipake kanggo nagdamel sangu koneng kanggo syukuran. Sabenerna mamah jeung bapa teu menta duit gaji abdi eta, tapi ieu tos janten jangji abdi lamun katarima gawe. Abdi oge dipasihan cangkedong ti kantor pas sasih Romadon. Teu jarang oge kantor masihan beas sakarung kanggo pagawena. Abdi ngarasa syukur pisan gawe di tempat ieu. Hal ieu ngajadikeun abdi hoyong janten pagawe anu teu nguciwakeun kantor. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5333", "text": "Youtube janten salah sahiji media neang elmu nu babari. Lain wae elmu dunya, tapi aya oge loba elmu agama. Tah salah sahiji anu sok ngeshare elmu agama dina youtube nyaeta Ustadz Abdul Somad. Salian anjeunna sok dakwah kamana-mana, anjeunna oge aktif dakwah lewat sosial media, salah sahijina youtube. Dakwah anjeunna tos ditonton ku jutaan masyarakat pengguna youtube. Seueur pisan masyarakat nu kenging pecerahan dina arah kahirupannana gara-gara ngaregepkeun dakwah anjeunna. Tah youtube teh tidinya janten salah sahiji media syiar dakwah Islam terutama ka generasi zaman ayeuna. Hal nu patut pisan di conto, sharing elmu lewat youtube. Ku kituna, hayu ah urang ge mangpaatkeun youtube kangge ngaregepkeun dakwah supaya tiasa nambahan elmu kaagamaan urang!", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1892", "text": "Usaha kuliner tiasa janten kasempetan anu lumayan, salah sahijina nyaéta jajanan atanapi dahareun pokok. Usaha jajanan téh sabenerna fleksibel sabab modal anu dibutuhkeun nyaluyukeun jeung jenis produk anu rék dijual. Jumlah modal anu kawilang henteu ageung teuing. Ieu kiat pikeun suksés dina ngajalankeun bisnis jajajan :paketkeun kalawan produk lianna.Lamun anjeun boga produk anyar, éta bisa diwanohkeun ka konsumén ku cara bundling. Contona, hiji pakét diwangun ku hiji produk nu geus aya ditambah hiji produk anyar nu Anjeun hoyong pasar. Ku cara ngabuntel produk dihiji paket. konsumen bakal leuwih sumanget pikeun meuli sabab bisa nyobaan produk anyar kalawan harga low. Maranehna teu hariwang teuing lamun rasana henteu sakumaha anu dipiharep sabab hargana murah. Komo deui Nyadiakeun diskon pikeun belian glorisan nu ageung jeung sampel produk bébas lamun diperlukeun. kudu nyaho yen tren strategi penjualan panganyarna sareng ngamangpaatkeunana pikeun ningkatkeun popularitas produk anjeun. Salian ti média sosial, anjeun ogé tiasa ngamangpaatkeun tempat-tempat pasar anu terkenal anu dikenal ku masarakat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7402", "text": "Piala Presiden nyarta hiji turnamen maen bal Indonesia. Edisi kahiji dilaksanakeun dina 2015 pikeun ngeusian kakosongan dina pasanggiri. Tapi dina edisi saterusna, turnamen ieu dijadikeun acara pra-musim. Mimitina, pamilon Piala Presiden asalna ti 13 tim anu tanding di Liga Super Indonesia sarta 3 tim anu nandingan di Divisi Utama Liga Indonesia. Tapi dina edisi saterusna, pamilon turnamen asalna ti sakabeh klub Liga 1 jeung sababaraha klub ti Liga 2. Piala Presiden mangrupa turnamen kanggo ngagantian Liga Super Indonesia sanggeus PSSI dibere sanksi ku FIFA dina Mei 2015. Turnamen edisi kahiji dimimitian ku laga pembuka di Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Bali, ping 30 Agustus 2015. Turnamen ieu dipungkas ku laga final di Stadion Utama Bung Karno, Jakarta, ping 18 Oktober 2015, anu ngasilkeun Persib Bandung anu meunang salaku jawara turnamen.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2408", "text": "Dina sésana, penjajah unsupervised. Para buruh ngalalakonkeun lagu-lagu pikaseurieun bari midangkeun adegan-adegan pikaseurieun nu dicokot tina gerakan tentara kolonial.\r\nSaméméh taun 1960-an Tari Gandrang Bulo dicoo ku déwasa ku cara nyieun bunderan. Maranéhna ngalagukeun lagu-lagu pikaseurieun jeung gerak-gerik pikaseurieun anu dimaénkeun sacara bergilir-gilir, kalayan pakakas awi anu fungsina minangka pakakas musik jeung alat peraga.\r\nDina jaman kiwari, tari ieu mindeng dipaké pikeun ngaluarkeun sagala rupa argumen ngeunaan sababaraha hal. Nyaritakeun ngeunaan jalma biasa anu boga karakter polos anu nyanghareupan pangawasa anu sombong. Kalayan sisipan kritik kasar dipak dina wangun banyol anu ngondang seuri hadirin, ogé gerakna.\r\nBaheula tari ieu ngan bisa dimaénkeun ku déwasa, tapi lila-lila barudak ogé bisa maénkeun.Tarian Gandrang Bulo mindeng dipaké dina acara sambutan tamu penting nagara, sarta pikeun acara bubuka skala nasional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1934", "text": "Keuyeup nyaéta kadaharan laut atawa kadaharan laut anu cukup dihindari. Alesanana, kadaharan ieu kasohor ku kandungan kolesterolna anu luhur. Padahal, loba pisan mangpaat keuyeup anu alus pikeun awak. Kandungan gizina ogé lengkep sangkan bisa ngarojong kaséhatan awak. Dumasar kana Data Komposisi Pangan Kamentrian Kaséhatan, dipikanyaho yén 100 g daging yuyu seger ngandung rupa-rupa kandungan gizi kalayan komposisi ieu: 151 kalori énergi. 13,8 g protéin. 3,8 g gajih. 210 mg kalsium. 250 mg fosfor. 61 mcg vitamin A. 05 mcg vitamin B1. 78 mg koléstérol. Salian kandungan gizi di luhur, keuyeup ogé dipikawanoh ngandung zat gizi penting lianna kayaning asam folat, vitamin B kompléks, seng, kalium, magnesium, beusi, yodium, selenium, jeung mangan. Henteu ngan éta, keuyeup ogé dipikanyaho ngandung omega 3.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7392", "text": "Kok atawa bal badminton (Basa Inggris: Shuttlecock) nyaeta bal anu dipake dina olahraga badminton, dijieun tina runtuyan bulu soang anu disusun jadi congcot anu kabuka, kalayan dasarna ngawangun bal anu gede didamel tina gabus. Numutkeun kana aturan ti BWF, aya sababaraha syarat kok anu tiasa dianggo kanggo tanding, nyaeta kok kudu aya 16 lembar bulu. Sadaya bulu kedah sami panjangna antara 62mm sareng 70mm. Ujung bulu kudu ngabentuk loop kalayan diameter antara 58mm jeung 68mm. Kabeh bulu kudu digabungkeun janten hiji jeung kedah kuat. Bagian tungtung kok kedah gaduh diameter antara 25mm sareng 28mm. Beurat total kedah antara 4,47 gram sareng 5,50 gram.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3597", "text": "Ieu pisan basajan tur éféktif dina pamanggih kuring, Aya sababaraha hal anu kuring lakukeun nalika kuring setrés pisan anu tiasa dilakukeun ku seueur jalma. Lamun stress kacida beuratna, upamana, nalika nyanghareupan masalah skripsi kusabab pembina pembunuh, kuring bakal naek ka gunung pikeun nenangkeun pikiran. Tempat anu sepi mangrupikeun tempat anu cocog pikeun nyageurkeun / ngabersihan pikiran anjeun. Sabenerna mah teu kudu ka gunung, intina kudu nyorangan di tempat-tempat tiis saperti perpustakaan, wc, mall jeung di sisi jalan.\nMun rada stress mah kasep atawa kitu mah, ka Indomaret terus meuli es krim tembok coklat nu hargana 50 rebu bari lalajo YouTube di kamar. Henteu ngan ukur és krim, tuang coklat ratu perak ogé tiasa ngubaran setrés anu ayeuna kuring hadapi. Sakapeung urang kedah ngaraosan diri dina waktos setrés ku tuang tuangeun anu urang resep. Coklat mangrupikeun hal anu paling indah anu tiasa ngarobih haté kuring.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6549", "text": "Mun rek iinditan jarak jauh lintas provinsi mah mendingan keneh make bus. Dibandingkeun kandaraan lain mah bus dianggap paling tereh dina segi waktu. Komo ayeuna mah rupa-rupa fasilitas bus nu mulai lengkap jeung ngeunaheun. Malahan mah aya nu sleeper bus, jadi jokna teh bisa dipake sare privat. Dibandingkeun jeung kareta mah mending bus sabab kareta leuwih panjang waktuna jeung kudu turun di stasiun, jadi teu bisa langsung ka tujuan nu deukeut imah. Tina segi ongkos ge bus teh sok leuwih murah jeung bisa dibeuli ngadadak tiketna. Mantakna, mun rek mudik atawa perjalanan jauh teh mendingan naek bus nu leuwih ngeunaheun!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4006", "text": "Cara masak kwetiaw goreng cukup gampang jeung cepet, bahan-bahan anu disiapkeun oge murah tur gampang dibeuli aya di tukang sayur. Bahan-bahan anu diperlukeun pasti kwetiaw anu geus di pisah pisahkeun, sayuran, nyaéta sawi jeung tauge, tuluy bahan pelengkap saperti bakso, sosis, endog, bisa ogé ditambahan hayam atawa sapi lamun aya sarta ulah poho pikeun nyiapkeun. bungbu anu dipaké nyaéta bawang beureum, bawang bodas, lada, uyah, micin, kaldu bubuk, kecap jeung kecap amis. mimitina gorenng heula bungbu - bungbu na nepi ka seungit, terus asupkeun endog, sosis, bakso jeung sagala rupana nepi ka asak tuluy asupkeun sayur jeung kwetiaw na caian saeutik terus tinggal di bungbuan ku uyah, pecin, kaldi aduk aduk tuluy nepi ka rata terus kwetiaw siap disajikan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3843", "text": "Pikeun ngalestarikeun kadaharan tradisional nepi ka kiwari, perlu inovasi kréatif sangkan kadaharan tradisional tetep pikaresepeun tur loba nu meuli. Sorabi mangrupa salah sahiji inovasi kadaharan pikeun terus laris, inovasi dilaksanakeun kana varian rasa sorabi anu hambar jeung didahar na pake oncom lamun hayang asin atawa lamun hayang amis make cai gula beureum cair nu biasa di sebut kinca. Sorabi ayena inovasi jadi loba variasi rasa, aya nu amis pake toping keju susu, coklat, pandam durian jeung sajabana. Lamun varian sorabi asin toping na biasan amake hayam atawa daging bisa bakso sosis oge, lamun vatian nu lada biasana di tambah sambel khusus. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4111", "text": "Mata nyaeta salian ti indra penglihat oge tapi jandela hati, matak keur kaum umat islam khusuna kaum adam wajib pisan ngajaga pandanganna. Ngajaga pandangan sarua jeung ngajaga hati ti sagala sesuatu anu teu sakuduna di tingali. Sabab tina mata jatuh ka hati, lamun urang ningali nu kuduna teu di tingali bakal asup ka hate jeung jadi bahan pikiraneun. Lamun nu di tingali sesuatu anu teu bener ngkena hateurang ge milu teu bener. Misalkeun urang nu lain mahromna ningali sesautu nu lain mahrom eta bisa jadi zinah mata. Tina mata bis kana hate jeung di pikiran sarua jeung ngotoran hate jeung otakna. Awalna tinu kitu lamun lila lila di antepkeun bisa jadi leuwih parah. Pelecehan jeung sagalana awalna tina pandangan mata. Perintah tungkul atawa nahan pandangan aya di surat an-nur ayat 24.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8043", "text": "Lionel Messi tos janten legenda di dunya sepak bal. Lionel Messi tiasa disebat kos kitu kusabab manehna tos menangkeun rupa-rupi sareng seueur pisan trofi. Di liga domestik sapertos La Liga manehna tos nyabet sapuluh piala, can kaasup piala-piala domestik nu sejenna. Di turnamen eropa manehna menangkeun opat piala Champion League sareng tilu UEFA Super Cup. Samentara di nagarana Argentina, Lionel Messi tos ngabantos nagarana menangkeun piala Copa America di taun 2021 sareng piala Olimpiade taun 2009. Di taun kamari nyaeta taun 2022, manehna ngabantos Argentina menangkeun kompetisi antarbenua nyaeta Finalissima sareng nu pang hadena mawa Argentina janten jawara dunya taun 2022.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5358", "text": "Beda antara khotbah sareng ceramah aya sababaraha hal. Khotbah sareng ceramah hakekatna sami, nyaeta dawah ka umas muslim. Nu ngabedakeun nyaeta mun khotbah mah eusina seruan atawa ajakan ka umat muslin supaya ningkatkeun kataqwaan jeung kaimanan ka Allah SWT. Mun ceramah mah eusina informasi, pengetahuan kaagamaan nu sifatna leuwih luas. Khotbah mah dilaksanakeun na di waktu tetentu hungkul, mun ceamah mah leuwih fleksibel bisa iraha wae. Khotbah dilaksanakeun satu arah atawa monolog, mun ceramah mah biasana aya nu dua arah atawa dialog. Jeung deuih khotbah teh kedah minuhan rukun khotbah, pami ceramah mah cenderung leuwih nyasuaikeun. Khotbah dilaksanakeun di masjid, pami ceramah mah teu kedah di masjid hungkul.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "897", "text": "Cara nongton di stadion ayeuna mah geus praktis, lantaran geus serba online. Jadi urang teu kudu ngantri meuli tiket. Carana urang meuli ti website resmi, mun geus kitu kari pilih pertandingan naon nu rek ditongton, misalna mun badminton mah aya 6 poe pelaksanaanna teh, tah urang rek nongton mu poe ka sabaraha hiji. Ieu perlu sabab nangtukeun hargana, tiap poe bakal beda oge hargana. Komo harga final mah bisa dua kali lipat ti harga mimiti maen sanajan nu maenna teh ngan saukur 5 pertandingan. Geus nepi stadion mah tinggal scan tuluy asup. Usahakeun beuteung geus dieusian ulah nepikeun ka lapar sabab engke bakal kaganggu pas urang nongton pertandinganana. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4085", "text": "Sholat lima waktu mangrupa parentah wajib anu dibawakeun ku Nabi Muhammad SAW dina peristiwa Isra Mi'raj. Dina awalna Alloh SWT marentahkeun sholat 50 waktu sapoe. Dina awalna, Nabi Muhammad dititah solat 50 waktu beurang jeung peuting. Teras nepungan Nabi Musa as cek Nabi Musa umat na moal sanggup sholat sapoe sapeuting 50 kali, akhir na Nabi Muhammad balik ka Allah SWT nepikeun lamun misal na umatmoal bisa lamun kudu sholat sapoe sapeuting 50 kali. Nepi ka akhirna Allah swt ngurangan sholat jadi 5 kali sapoe sapeuting nyaeta sholat subuh, sholat dzuhur, sholat ashar, sholat magrib jeung sholat isya. Sholat 5 kali sapoe sapeuting ges pas pisan soalna masih aya keneh waktu keur umat manusia migawe nu lainna saperti gawe, istirahat, dahar jeung sagalana. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5387", "text": "Ajaran nu paling diinget dina hirup nyaeta sholat. Sholat fardhu teh hukumna wajib, tong nepi ka ditinggalkeun sabab bakal dosa. Sholat fardhu teh dilaksanakeun dina lima waktu sapoe nyaeta sholat subuh, sholat lohor, sholat asar, sholat maghrib, jeung sholat isya. Sholat subuh dilaksanakeun saloba dua rokaat samemeh fajar, sholat dzuhur dilaksanakeun dina waktu dzuhur atawa tengah poe saloba opat rokaat, sholat ashar dilaksanakeun dina waktu antara dzuhur jeung maghrib saloba opat rokaat, sholat maghrib dilaksanakeun dina waktu petang saloba tilu rokaat, jeung sholat isya dilaksanakeun menjelang peuting saloba opat rokaat. Salaku umat muslim, urang wajib ngalaksanakeun sholat fardhu. Mun teu dilaksanakeun bakal kenging dosa jeung kaburukan di dunia.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1572", "text": "Lamun dahareun urang beak di gunung tuluy urang mutuskeun rek dahar tutuwuhan nu aya di gunung, leuwih alus urang ngetes heula tutuwuhan eta bisa didahar henteuna. Cara nyaho tutuwuhan eta bisa di dahar henteuna ku cara mesek heula batangna, geus kitu oleskeun geutah di leungeun urang. Jeung rasakeun reaksina, naha aya reaksi kana leungeun? Mun leungeun jadi arateul atawa aya reaksi, ku urang tinggal piceun, berarti tutuwuhan eta teu bisa di dahar. Lamun lolos uji dina leungeun, teundeun dahareun di letah jeung cicingkeun salila sababaraha menit. Mun aya reaksi dina letah artina tutuwuhan eta bahaya, mun euweuh reaksi artina bisa di dahar.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7644", "text": "Lamun urang gaduh kulkas di imah anu tara kapake, atawa ngan dipake nyimpen sayuran, endog jeung dahareun tilas bieu peuting kanggo diemam, urang tiasa mangpaatkeun kulkas kanggo icalan eskrim. Urang tiasa ngadamel eskrim anu mirah ti susu kental manis anu dicampurkeun sareng tipung maizena, gula jeung pangembang teras tambihan Pop Es supados aya rasana. Es krim tiasa janten ide jualan anu bakalan laku lantaran barudak leutik mah pasti resep pisan kana es krim, komo lamun warnana lalucu jeung pangaosna mirah. Es krim oge tiasa disimpen dina waktos anu lami janten sakali ngadamel tiasa langsung seeur teras disimpen lila jeung tiasa diical iraha wae. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "576", "text": "Tiap gerakan dina tari jaipong mibogaan nilai jeung makna sorangan. Nu kahiji gerakan cingeus anu mibogaan makna salaku bentuk representasi rancingeus hiji awewe dina mimiti ngalalakon dina kahirupan. Nu kadua gerakan suku, gerakan ieu mibogaan makna ngeunaan rancingeus, sarta sifat gambang ngaluyukeun jeung kaayaan awewe Sunda pas ngajalanan kahirupan sapopoe. Nu katilu gerakan meliuk nyaeta ngarepresentasikeun sifat nu fleksibel nu dipiboga ku awewe Sunda pas nyanghareupan masalah kahirupan. Nu kaopat gerakan ngagaleong, gerakan ieu mibogaan makna nyaeta awewe kudu wnai dina nyorakeun pamadegan jeung bisa ngalakukeun komunikasi nu alus. Nu terakhir gerakan variasi, gerakan ieu mibogaa nmakna nyaeta kudu ngarepresentasikeun jeung bisa ngahijikeun dina sagala nu kajadian dina kahirupanna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "129", "text": "Lembang Park & Zoo, tempat wisata anyar di Lembang. Harga asupna Rp 50.000 poe biasa, lamun poe libur Rp 70.000. Bisa naek scooter Rp 75.000 sajamna atawa naek parahu Rp 20.000 per 20 menitna. Didieu oge bisa sakalian maraban hewan, hargana mulai ti Rp 5.000 saorangna. Geus bisa maraban buaya, lauk koi, kelinci, harimau, gajah, landak jeung hewan nu sejenna. Hargana gumantung hewan naon nu rek diparaban. Hewan-hewanna teh karawat jeung beresih dijamin mun mawa budak bakal bungaheun. Temptana lega pisan. Loba spot foto-foto oge. Lamun cape jalan-jalan, didieu loba oge tempat jajan. Salian jajan, didieu oge foodcourt nu ngajual makanan berat anu hargana masih kajangkau.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "119", "text": "Bike Story di jalan Ranggamalela nyaeta salah sahiji tempat anu unik, sabab mesen dahareunna make sepedah. Tempatna viral ku bubur keuyeupna. Ieu tempat unik pisan, aya tempat ngumbah sapedah oge, jadi bisa dahar sabari ngumbah sapedah. Didieu oge ngajual perlengkapan sapedah ti mulai baju, jaket, topi, kantong, jeung aksesoris sapedah nu sejenna. Aya private room oge jang meeting, arisan, atawa pesta tepang taun. Bubur keuyeupna make toping kepiting, pangsit jeung cakue. Menu nu sejenna ge loba, sangu capcay anu aya kacang mede an, rasana amis gurih komo dicampur jeung capcayna. Sangu popcorn hayamna oge ngeunah, dihijikeun jeung sopo tahu. Tempatna nyaman, dahareunna ngeunah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3948", "text": "Leuwi balong endah nyaeta balong anu endah pisan nu aya di kabupaten bogor, caina balok na salna ti curug nu teu jauh ti dinya. Cai dina balong kacida bersihjeung jernih na. Lewi balong endah tempat na aya di kawasan Taman Nasional Gunung Halimun. Kaéndahan curug ieu salawasna jadi daya tarik pikeun wisatawan domestik jeung mancanagara. Tina deretan curug nu aya di wewengkon éta, Curug Balong Endah mangrupa lokasi pikeun didatangan dina liburan. Biaya asup ka Curug Balong Endah kawilang murah. Di daerah sakitar kawasan gunung halimun tepat na di hareup na aya lomba penjual anu dagang sagala kaperluan atawa oleh-oleh. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1887", "text": "Kiripik cau lumayan populer, komo deui khas daerah Lampung, teu kedah ngaluarkeun loba artos. Kusabab harga anu ditawarkeunana leres pisan terjangkau heuteu awis teuing. Produsén kripik cau ngecakeun harga Rp. 50.000 per kilogram. Sareng harga ieu manglaku ka sadaya jinis rasa. Upami anjeun henteu hoyong mésér dina bungkus kilo, tong hariwang. Kusabab loba produsen kriripik nu geus disadiakeun bungkusan dina sagala rupa ukuran nurutkeun kahayang anjeun. Ratusan padagang nu aya di dayeuh Bandar Lapung rea pisan, mimitian ti leutik nepi ka gede, minuhan wewengkon Gang anu sumebar di kénca jeung katuhu jalan. Di dieu anjeun bakal ngarasa kawas anjeun di surga kiripik cau.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4955", "text": "Green tea teh ayeuna mah jadi inuman nu laris saprak usum thai tea. Green tea nyaeta inuman nu warna hejo sabab emang sasuai ngaran na, teh hejo. Larisna ieu inuman nyieun abdi panasaran kumaha rasana. Hiji poe abdi ngahaja meser green tea ka Papaaus jang ngaleungitkeun panasaran. Geus kitu diuyup we eta inuman teh ku abdi. Duh rasa na meuni teu paruguh, amis tapi semu aya bau pacar arab nu sok di pake warnaan kuku tea geuning. Abdi masih teu bisa mikir kunaon batur bisa-bisana raresep ka inuman nu model kieu. Rasana teu pararuguh ah, mendingan meuli teh poci we.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4211", "text": "Carita rahayat anu pang kasohorna anu sering pisan aya dina buku pelajaran basa sakola nyaeta carita malin kundang. Carita malin kundang kasohor kusabab amanat tina carita anu sasuia pikeun pelajaran barudak di sakola nyaeta ulah doraka ka kolot, komo kanu jadi indung. Malin kundang nyaritakeun yen aya indung anu ihlas ngalakukeun naon wae pikeun budak na kaasup nyawa rela indung na korban keun. Mimitina malin bageur keneh tuluy menta ijin hayang ngarubah nasib nyaba ka kota sangkan bisa ngajieun hirup na jeung indungna bisa leuwih alus. Malin sukses di kota jadi beunghar sagala boga tapi hanjakal kusabab jeung beunghar boga sagala na kaasup kana pamajikan anu beunghar jeung geuls malin jadi poho jeung henteu paduli jeung indungna di lembur. Basa balik ka lembur malin kalah ka era ngenalkeun indung na jeung teu anggap idung na padahal indungna geus lila nungguan jeung sono pisan ka malin. Indung na nyeri hate tuluy ngutuk si malin jadi batu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5475", "text": "Suling mangrupakeun salah sahiji alat musik tradisional Jawa Barat. Suling seueur dipelajari di sakola, dugikeun ka aya dina mata pelajaran wajib di sababaraha sakola di perkotaan. Rena ti SMP tos terbiasa ngalantunkeun suling sabab tos diajarkeun di sakolana. Ayeuna Rena jadi salah sahiji pengajar ekskul suling di SD. Dina raraga milangkala ulang taun sakola SD, Rena dipiwarang nyiapkeun penampilan suling ti anak didik ekskulna. Rena nyiapkeun na kirang leuwih tilu bulan. Alhamduillah pas hari H penampilan na lancar tur bisa ngajieun sakola bangga. Rena oge boga kabanggan pribadi sabab bisa ngoordinir penampilan ti ana didikna dugi ka berhasil. Ieu jadi pangalaman nu berharga jang Rena.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4968", "text": "Simping nyaeta salah sahiji camilan anu kurang dipikaresep ku didieu. Simping loba oge varian rasa na, aya rasa keju jeung rasa cikur. Tah mun simping rasa keju mah sok rada bau hapeuk, mun rasa cikur sok rada semu kuleuheu rupa jeung warna na teh. Tapi batur mah resepeun cmilan simping teh. Jigana ceuk batur mah enak meureun jang dijadikeun camilan atawa batur ngopi. Dinu hajat ge sok aya susuguh simping, atawa sok aya nu berkat na diseusian simping. Tidinya kabuktian bahwa emang salera abdi hungkul nu kurang pas jeung nuang simping, beda jeung batur nu memang seneng kana rasa jeung rupana ieu simping.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6665", "text": "Kripik janten camilan andalan saha wae anu resep ngaganyem. Salian ti aci, olahan sampeu oge biasana didamel kiripik sampeu. Kiripik sampeu nu bentukna baruleud ipis tapi garing jeung rasana asin bakal bisa ngadamel saha wae anu tos nyobian bakal hese ereun. Kiripik sampeu biasana cocok didahar sabari nginum cai enteh atawa kopi. Tapi arurang oge kedah ati-ati pas ngadahar kiripik kusabab kiripik aku tos digegel biasana sok rada sekeut, sok nojos kana gusi. Kiripik sampeu teu ngan disamaraan ku asin hungkul, aya oge nu diladaan anu biasa disebut kripset atawa kiripik setan bakating ku lada jeung seuhah. Aya salah sahiji merek kiripik anu kasohor ladana nyaeta kiripik Ma Icih anu kacida ladana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7193", "text": "Tokoh adat nyaeta jalma anu gaduh jabatan adat dina tatanan masarakat adat di hiji daerah. Pamingpin adat biasana mingpin upacara adat, ngajaga cara hirup tradisional, ngajelaskeun harti jeung falsafah hiji adat masarakatna. Adat nyaeta aturan anu dilaksanakeun (diamalkeun) sacara turun-tumurun di masarakat sangkan jadi hukum jeung aturan anu kudu diturutan. Sedengkeun istiadat nyaeta aturan atawa cara ngalakukeun hiji hal anu ditarima minangka adat. Tokoh adat nyaeta jalma-jalma anu ngalaksanakeun jeung boga ikatan jeung pangaruh anu kuat di masarakat, kakuatanna gumantung kana masarakat atawa bagean masarakat anu ngarojong eta adat-istiadat, utamana dumasar kana rasa kaadilan. Tokoh adat oge janten representasi tina pelestarian budaya.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1940", "text": "Béda jeung situs Gunung Padang Cianjur anu mangrupa padang rumput hejo gunung kalawan kumpulan batu anu sarupa. Wisata Gunung Padang Ciwidey miboga kaunikan sorangan. Kusabab eta boga koleksi badag batu tina ukuran béda jeung wangun sarta ngabogaan harti filosofis sorangan. Di wewengkon ieu aya batu anu wangunna siga wadah kerung anu fungsina pikeun nyimpen cai. Gunung Padang Ciwidey sorangan dibagi jadi tilu bagian utama. Tahap kahiji anu ngagambarkeun kalahiran jeung budak leutik. Dewasa ngagambarkeun tahap kadua jeung tahap katilu ngagambarkeun mangsa nu bakal datang. Tah, pikeun tiasa ngajalajah tempat wisata ieu. Anjeun ngan ukur kedah mayar tikét asup ka Gunung Padang Ciwidey, nyaéta Rp 5.000. Sedengkeun biaya parkir Rp. 5000 hungkul, murah pisan kan?.ku tiket anu murah tos tiasa ngajalajah sareng nitenan tempat wisata anu unik ieu. Sanajan kitu, harga pangakuan ka Gunung Padang Ciwidey bisa robah iraha wae tanpa aya bewara.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9419", "text": "Kuring resep pisan kadaharan seafood, utamana udang jeung kerang. Dua kadaharan laut eta rasana nikmat tur seger. Kuring oge resep tuangeun salian ti seafood, sapertos sayuran seger sareng tahu goreng. Nanging, aya sababaraha tuangeun anu kuring henteu resep, sapertos daging sapi sareng hayam. Keur kuring mah, eta dua daging teh teuas jeung rasana hambar pisan. Kuring oge henteu resep tuangeun anu lada teuing, sapertos sambel, saos cabe atanapi bubuk cabe. Eta lada teuing pikeun kuring sareng karasa panas dina baham jeung patuangan kuring. Nanging, kuring masih nyobian tuangeun lada ti waktos ka waktos, sabab kuring nyaho yen unggal jalma gaduh rasa jeung salera anu beda-beda. Jaba, kuring resep ngabuka diri pikeun pangalaman tuangeun anu anyar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1628", "text": "Di Jakarta aya angkutan umum nu ngaranna teh Transjakarta. Angkutan umum ieu mibogaan jalurna sorangan teu ngahiji jeung angkutan umum nu sejen atawa angkutan pribadi. Mun hayang naek transjakarta pastina urang kudu ngadatangan halte nu deukeut jeung urang. Sistem pembayaran di transjakarta ngagunakeun kartu tapcash, jadi mun teu boga kartu ieu urang bisa meuli heula di minimarket anu deukeut. Mun geus meuli urang karek ngeusian saldo meh bisa langsung dipake. Mun keur rame, usahakeun kudu ngantri ulah nepikeun ka ngagunduk. Unggal 15 menit biasana beus Transjakarta datang. Geus asup urang langsung diuk, mun tempat diukna pinuh urang bakal nangtung sapanjang jalan atawa bisa diuk teh mun aya batur nu rek turun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5876", "text": "Salah sahiji barang elektronik anu sok dipake dina kahirupan sapopoe nyaeta setrika. Setrikaan teh fungsina jang ngarapikeun pakean supaya teu kusut. Setrikaan teh make tanaga listrik, dicolokeun kana stopkontak. Setrikaan teh bahan utamana nyaeta aluminium jeung baja anti karat. Mun body na mah tina bahan plastik supaya teu ngahantarkeun panas. Bentuk setrikaan teh lancip ka hareup, luhurna aya paranti nyepengan setrikaan. Handapna teh aya aluminium jeung besi nu ngahantarkeun panas kana pakean. Luhureun baja aya tombol nu diputer kangge ngatur suhu setrikaan disasuaikeun jeung bahan pakean. Kabel setrikaan na ge rata-rata sameter satengah dugi ka dua meter. Mun modelna mah seueur rupina, tergantung merk jeung modelna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8019", "text": "Libur semester digunakeun Rizal sareng rerencangan jang liburan ka Puncak. Di Puncak, Rizal nyewa villa keur sapeuting, villa nu disewa ngaranna Villa Anggrek. Kagiatan kahiji nu dilakukeun di Puncak nyaeta maen bal. Kusabab eleh maen bal Rizal diceburkeun ka kulah, nanging Rizal teu ambek kusabab manehna teu sorangan seueur rerencangan nu sanes ngilu nyebur. Puas nyoo cai tika sore, peutingna aya api unggun kabeh ngumpul ngurilingan seuneu kusabab tiris. Sabari ngahaneutkeun awak Rizal sareng rerencangan ngabakar jagong bari nyanyi jeung gigitaran. Tos tabuh 11 peuting kabeh ngampih ka kamar masing-masing, sare taribra kusabab cape ulin sapopoe. Saking bungahna Rizal kabawa mimpi keur manehna ulin.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1845", "text": "Jaman kuring jadi mahasiswa, deukeut kampus kuring aya restoran sushi nu murah. Sanajan kawilang murah, tapi tetep teu asup kana duit jajan mahasiswa anu sok dahar beurang ngan ukur témpé jeung menta sop sayur, jadi teu kungsi kapikiran dahar didinya. Dina hiji poe eta restoran sushi nyieun promo all you can eat anu lumayan murah, 60 rebu mun teu salah. Deui, sanajan éta mirah pikeun sushi, éta tangtu mahal pikeun siswa. Babaturan kuring kedah ngajurung murangkalih babarengan pikeun nyobian éta. Pikeun harga éta, urang (dalapan urang) komitmen ka maksimalkeun pangalaman, hartina dahar saloba mungkin sumuhun, namina All You Can Eat pasti sapertos kitu, tapi kumargi barudak tongkrongan mangrupa jalma nu kalaparan sareng kantong deet, hal iyeu mangrupakeun tantangan jang resto sushi nu rek dianjangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3886", "text": "Basa nonton bola piala dunia bareng kamari, urang jeung kabeh babaturan rek nonton bareng bola piala dunia di imah, samemeh nonton ameh lewih seru jeung enakeun nyaeta nonton bola na nya bari nyemil. Jadi samemeh bola piala dunia na mulai urang mangkat ka warung jeung babaturan keur meuli cemilan. Urang meuli rupa rupa cemilan ti nu amis, nu asin anepi ka nu lada jeung teu poho meuli minuman nana . Tapi dina kabeh camilan nu di beli camilan karesep nyaeta tetep sukro, sukro jajanan ti jaman leutik nu nepi ka ayeuna tetep jadi karesep. Rasa na nu enak, garing teu pernah beda ti jaman baheula.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3573", "text": "Wanadri atanapi Paguyuban Jungle Walkers sareng Wanadri Mountain Climbers nyaéta organisasi kagiatan outdoor anu berbasis di Bandung, Indonésia. Wanadri diadegkeun dina taun 1964, kalawan tujuan pikeun mantuan ngawangun Tanah Air, Bangsa, jeung Nagara RI ngaliwatan ngadidik para nonoman ngagunakeun média alam salaku alat atikan. Dasarna, Wanadri mangrupikeun sakelompok jalma anu resep hirup di alam liar. Organisasi Wanadri — anu tiasa ditingali salaku \"komunitas Wanadri\" - mangrupikeun organisasi anu ngagaduhan aturan sareng norma khusus, boh tulisan atanapi henteu, anu salawasna diterapkeun sareng dihargaan ku anggotana. Sacara umum, visi Wanadri nyaéta pikeun jadi organisasi atikan pikeun ngadidik masarakat hususna anggotana sangkan mibanda ajén-inajén anu aya dina Jangji jeung Alam Wanadri. Tujuanana pikeun ngawujud manusa nu mandiri, tabah, tabah, Pancasilais sajati, jeung percaya kana kakuatan sorangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1955", "text": "Tukangeun gunung teh pikadedeuh, pantai pikaresep rupa-rupa pangalaman geulis anu gampang pikeun kuring ngahontal tanpa kudu ngalakukeun jadi loba persiapan fisik. Angin laut sareng ombak anu tenang ngajantenkeun kuring langkung resep pantai tibatan gunung. Sanaos kitu, sanés hartosna kuring henteu kantos naék gunung pisan. Gunung nu munggaran didaki tur mudah-mudahan teu pamungkas naék dina waktos éta nyaéta Gunung Manglayang, anu perenahna pas di tukangeun kampus kuring, Universitas Padjadjaran, Jatinangor. Biaya anu henteu mahal, gampang dihontal, sareng henteu kedah ngalangkungan séri persiapan fisik anu beurat mangrupikeun alesan sanés anu nguatkeun naha kuring langkung resep nyéépkeun waktos di pantai.komo deui di pantai Legok Jawa nu aya di pangandaran nu nuju basa kkl viral.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7136", "text": "Lagu \"Apuse\" mangrupakeun lagu daerah asal Papua. Ieu tembang gaduh wirahma nu endah tur basajan, ku kituna tembang ieu mineng diajarkeun dina pangajaran kasenian di tingkat SD. Lagu \"Apuse\" asalna dikarang di Jayapura. Najan kitu, nepi ka ayeuna pangarangna can dipikanyaho sacara pasti. Lirik \"Apuse\" pondok tur basajan. Gaya liris anu diulang-ulang, oge nada ritmis ngajantenkeun lagu ieu gampang diemut. Sanajan Apuse mangrupa lagu rahayat Papua, lagu ieu geus akrab pisan dina ceuli lolobana urang Indonesia. Dina basa, \"Apuse\" hartina sosok nini atawa aki. Salian ti eta, ieu tembang dicaritakeun tina sawangan batin hiji nini atawa aki ka anak incuna, sakumaha dicutat tina buku Ngagungkeun Bhineka Tunggal Ika (2020) karangan Abdullah Faqih, dkk.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2280", "text": "Henteu ngan ukur motivasi anu diperyogikeun pikeun janten jalma anu langkung saé, tapi urang diwajibkeun pikeun mindahkeun sareng ngarobih sakedik-sakedik kalayan usaha anu nyata. Sidang anu bagja, ieu sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ningkatkeun diri. Kahiji, niatkeun diri urang pikeun jadi hadé ti ayeuna. Kalayan niat, saurang muslim tiasa ngajaga tujuan anu dipikahoyong. Éta sababna ibadah dina Islam dimimitian ku niat. Sabalikna, Rosululloh shallahu alaihi wa sallam pernah ngadawuh: Hartosna: \"Niat jalma mukmin leuwih utama batan amalna.\" Hadits ieu negeskeun yen niat leuwih hade tinimbang lampah anu urang laksanakeun, ku sabab kitu urang kudu ngamimitian ngarobah diri ka nu hadé ku niat anu hadé. Hadits ieu henteu ngadukung saha waé pikeun ngarencanakeun hiji hal teras henteu ngalaksanakeunana. Sabab niat téh wasiat dibarengan ku lampah. Jamaah sholat Jum’at anu dimulyakeun ku Allah subhanahu wa ta’ala Kadua, tobat kana maksiat anu urang laksanakeun taun kamari sareng ikhtiar supados henteu malikan deui dina taun payun. Panginten ngan ukur tobat henteu sesah, tapi komitmen pikeun henteu ngulang deui peryogi usaha anu gigih ti muslim. Jamaah, Rasulullah shallallahu 'alaihi wa sallam dina hiji poe tobat saratus kali, sanajan anjeunna geus dijamin asup surga", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7664", "text": "Kanggo ngamimitian bisnis online oge urang teu kedah ti sakola bisnis. Lamun baheula jalmi anu ngadamel bisnis teh pasti sakola bisnis, tapi ayeuna saking ku gampilna, saha wae tiasa nyieun bisnis online sorangan. Urang tiasa diajar cara nyieun bisnis online ti mana wae, komo jaman ayeuna mah seeur jalmi anu nyieun tutorial cara ngamimitian bisnis online. Urang oge tiasa diajar nyalira, tos seeur bahan kanggo diajar anu paburenucay di internet. Bisnis online oge tiasa ngabantos urang meunang konsumen anyar ti mana wae, janten barang dagangan urang tiasa dikenal ku saha wae, boh anu dekeut boh anu jauh. Komo lamun tampilan bisnis urang alus. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2664", "text": "Lianne Tan nyaéta atlét badminton anu ngabéla Bélgia dina Olimpiade Tokyo 2020. Lianne Tan boga hubungan raket jeung Indonésia. Dina atlét Belgia ieu, getih Indonésia ngalir. Kanyahoan bapana Lianne nu ngaranna Henk Tan asalna ti Bandung, Jawa Barat. Samentara éta, indung Lianne, Maria Meyers, nyaéta warga nagara Belgia.\r\n\r\nNalika ngalawan Gregoria (28/7), Lianne Tan ogé katéwak nyarios basa Indonésia sareng palatih. Nu matak, palatih Lianne, Indra Bagus Ade Chandra, lahir di Jakarta. Anjeunna pernah jadi bagian tina tim badminton tunggal putra Indonésia. Sanggeus ngudag karirna di Éropa, Indra ayeuna jadi palatih timnas Bélgia.\r\n\r\nHenteu ngan ukur lancar dina basa, Lianne Tan ogé sering ngabagi kareueusna anu ngagaduhan darah Indonésia. Malahan unggah poto basa maké baju adat Indonésia. Lianne ngalakukeun ieu dina miéling Hari Kamerdikaan Indonésia dina 17 Agustus 2020.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1613", "text": "Di era modern ieu informasi gancang kasebar jeung babari diakses ku ayana internet. Hal ieu jadi mantuan pisan patani jang meunangkeun elmu melak tangkal atawa tutuwuhan, neangan informasi pestisida nu tepat jeung cara pengolahan jeung penjualan produk tatanen. Ku ayana kamudahan ieu kuduna nyadarkeun urang salaku generasi muda geus ulah gengsi deui mun rek ngawasa di dunia tatanen. Ku ayana kamudahan ngakses informasi ieu bakal leuwih babari jang urang berinovasi dina melak tangkal atawa tutuwuhan ngameh gawena jadi leuwih hampang jeung hasilna oge leuwih loba. Sanajan aya resiko gagal panen nu nyebabkeun urang bakal rugi, tapi mun ditekunan urang oge bisa ngaminimalisir resiko eta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "404", "text": "Ngaji teh kudu aya kitabna, misalna ngaji ngeunaan fiqih kudu make kitab fiqih atawa ngaji ngeunaan tafsir kudu make kitab tafsir. Pentingna ngaji make kitab teh ngameh teu sangeunahna ngutip ayat Alquran jeung hadis, tuluy kesimpulan hukumna bisa ditarik kaditu kadieu siga karet anu melar. Bisa ngaji make kitab kuning, kitab kuning teh nyaeta kitab-kitab nu bahasana Arab, nu biasa digunakeun di pasantren jang bahan diajar. Materi dijerona ge rupa-rupa, aya ngeunaan masalah akidah, tata bahasa Arab, elmu tafsir, elmu hadis, elmu fiqih, nepikeun carita atawa hikayat oge kacampur jeung dongeng. Lamun di pasantrenan urang baheula, santri teh diajar elmu fiqih sabab elmu fiqih teh berguna pisan jang nyokot kasimpulan hukum atawa aya dua sumber ajaran Islam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6811", "text": "Tari mangrupakeun seni gerak anu ngagabungkeun gerak awak, musik jeung ekspresi. Tari mangrupakeun salah sahiji bentuk seni pangkolotna sareng paling universal di dunya. Tari tiasa dipake pikeun ngaluapkeun emosi, nyaritakeun carita, atawa malah nepikeun pesen. Aya rupa-rupa jenis tari, di antarana tari klasik, tari modern, tari tradisional, tari lintas budaya jeung tari kontemporer. Unggal jenis tari boga ciri anu benten jeung nawarkeun cara beda pikeun nganyatakeun diri. Di jaman ayeuna pas seeur Idol grup ti korea nuju populer seeur pisan jalmi anu ngiringan tatarian. Komo ayeuna aya Tiktok, seeur tutorial cara nari anu gampil janten tiasa dilakukeun ku saha wae.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9338", "text": "Salah sahiji hal anu jarang urang perhatikeun dina hubungan jeung babaturan nyaéta ngucapkeun kecap hapunten. Sarerea pasti pernah nyieun kasalahan jeung babaturanana. Urang meureun pernah poho pikeun masihan anjeunna kado ultah, atawa nyarekan anjeunna di hareup loba jalma nalika urang ambek. Pokona mah naon waé kasalahan anu urang lakukeun, urang kudu ngaku sareng nyuhunkeun dihapunten. Ulah nyalahkeun babaturan atawa hal séjén sarta tanggung jawab kana sagala lampah urang. Jalma condong ngahampura lamun urangna jujur tur menta hapunten sing ikhlas. Sabab loba jalma anu mun geus nyieun kasalahan teh teu menta dihampura, padahal menta hampura mah gampang, hubungan jeung babaturan oge bakal leuwih raket sanggeus jujur jeung saling terbuka.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3991", "text": "Tasikmalaya salah sahiji kota atawa kabupaten di provinsi jawa barat. tasik teh terkenal ku kerajinan anyaman jeung bordiran na nu kacida alus na. Letak kota tasikmalaya teh berbtasan jeung garut jeung ciamis. Daerah tasik bisa di sebut daerah gunung da letak n emang naek matakna hawa atawa udara di tasik leuwih tiis ti batan purwakarta. Di tasik oge aya gunung nu terkenal nyeta gunung galunggung, aya oge tempat wisata alam lain nu alus di tasik. Tasik emang leuwih mentingkeun wisata alam daripada tempat hiburan, matakna tasik teu loba mall. Ari dahareun khas tasik nyaeta sangu tutug oncom, nyaeta sangu bu di campur jeung sambel oncom.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9401", "text": "Biasana nu diolah make cara dibakar nyaeta roti. Tapi, di Bandung aya anu ngarana Bolu Bakar. Bolu Bakar nyaeta salah sahiji kreasi kuliner di Bandung. Bentukna sarua jeung roti bakar biasa, nanging adaoanna nu beda. Adonan nu dipake nyaeta adonan bolu nu matak nyieun tekstur bolu ieu jadi lemu. Proses nyieunna oge sarua jeung roti bakar. Bolu anu bentukna pasagi panjang dibeulah dua, terus dibaluran ku rupa-rupa eusi. Bisa make keju, roombutter, cokelat, sele kacang, kopi, kalapa, susu, nepika durian musang king bisa jadi pilihan eusi. Bolu Bakar ieu miboga aroma nu khas mantega nu kuat, rasa amis nu ngeunah kacida. Matak, salian sipikaresep ku warga Bandung sorangan, Bolu Bakar jadi pilihan oleh-oleh wisatawan nu keur nyaba ka Bandung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2822", "text": "Keur di Indonesia mah mobil listrik murni mah teu asup akal, nu boga imah leutik listrik jeung parkirna terbatas. Pikeun kuring, mobil listrik langkung cocog pikeun jalma anu ngagaduhan langkung ti 1 mobil sareng langkung ti 4400 watt listrik rumah tangga. Hayu atuh masihan anjeun gambar saeutik, Smartphone ayeuna boga batré nyebutkeun 4000mAH atanapi 4AH kalawan tegangan sabudeureun 3.7-3.9V, urang ngan buleud kana 4V.\r\n1. Rumus kakuatan versus waktu nyaéta\r\nP (daya semu): V (tegangan) x Ieu (Ampere Jam). Janten batré HP gaduh kakuatan sakitar 16WH, kalayan pangecas 18watt sareng efisiensi sakitar 80%, dina tiori anjeun tiasa ngecas pinuh dina waktos kirang ti 1 jam.\r\n2. Ayeuna bandingkeun jeung mobil listrik nu make aki 40 - 60kWH atawa 40.000 - 60.000WH, ku kakuatan listrik 10.000 watt nu sakabehna dipake keur ngecas ngan butuh 4 - 6 jam, bener?\r\n3. Tesla di Indonésia merlukeun tegangan minimum 10.000 watt sarta rekomendasi 35.000 watt pikeun juragan pikeun meunangkeun hasil alus.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "556", "text": "Aya sababaraha oleh-oleh khas daerah tapina kerajinan tangan jeung kasenian nu khas ti Jawa Barat nu bisa dibeuli. Nu kahiji kerajinan Lembang, di antarana aya kantong anyaman, keramik, hasil kerajinan tinu awi, jeung masih loba deui nu bisa dijadikeun oleh-oleh. Nu kadua kantong jeung sapatu khas Cibaduyut, salian kasohor ku tempat balanja nu murah, Cibaduyut oge mangrupakeun tempat jang meuli rupa-rupa kantong jeung sapatu tinu kulit, aya oge beubeur jeung aksesoris nu sejenna anu dijieun tina kulit. Nu katilu batik, aya sababaraha daerah di Jawa Barat nu boga ciri khas batik sewang-sewangan, di antarana Batik Priyangan ti Tasikmalaya, Batik Cianjur, Batik Ciamis, jeung Batik khas Garut.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3616", "text": "Populasi jamet loba pisan. Henteu aya mall, henteu aya kafe, anu ngajual pizza henteu laris di dieu, bakwan anu laris. Kusabab euweuh tempat tiis, otomatis euweuh kawajiban kasampak cool. Lha wong nongkrong di angkringan semu OOTD. Buuk dicét konéng mangrupikeun hal anu keren.\r\nknalpot balap rampak. Ieu kusabab jamet overpopulated, jadi hehehehe, anjeun terang, nu louder beuki cooler aranjeunna pikir. Sadaya modifikasi motor anu matak nyeri panon aya di dieu. Fyi, abdi oge nganggo knalpot balap (tapi sae) sorana tiasa di tolak :v\r\nRarasaan pondok. Abdi henteu terang kumaha pikir atanapi kumaha perasaan. Di kota pas jalan macet, kandaraan rada nyegrek, karek santai. Di dieu, saeutik gesekan diajak gelut, sanajan motorna BeAT, malah teu ngeruk.\r\nInternét lalaunan. Henteu aya panyadia anu sinyalna tiasa saé, khususna nalika hujan. Alhamdulilah ti di kampung mah tos teu nongton pekob sabab pasti buffering, chuaks. Naon 4K?\r\nKaayaan jalanna abysmal. Boh éta supir atawa jalan, sagalana ancur. Naon deui, nalika kuring sareng ibu-ibu, kuring ngan ukur kaluar tina gang ngan ukur nyolong sareng upami katépaan kuring bakal nelepon pasukan. Jalan mulus jadi kaistimewaan, balong lele di tengah jalan geus biasa.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4553", "text": "Olahraga salian ti bisa ngajaga awak ameh tetep sehat olahraga oge bisa jadi ubar tina sababaraha panyakit, olahraga rutin unggal poe tiasa ngabantosan nyegah panyakit jantung sareng stroke, sabab olahraga nguatkeun otot jantung, nurunkeun tekanan darah, ningkatkeun tingkat koléstérol lipoprotein dénsitas tinggi (HDL) anu saé sareng nurunkeun koléstérol goréng lipoprotein dénsitas rendah (LDL), sareng nurunkeun tingkat koléstérol, kamampuan jantung pikeun ngiderkeun getih. olahraga oge tiasa ngabantosan ngirangan lemak awak, janten tiasa nyegah sareng ngontrol diabetes tipe 2. Ari ges ayana panurunan lemak anu kajadian berati bisa oge milu ayana panurunan tekanan darah dina penderita hipertensi atawa penderita darah tinggi jeung anu hartina bisa ngurangan pemicu stroke.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3572", "text": "Lamun pendaki leungit di leuweung/gunung, hal kahiji anu kudu dipigawé nyaéta ngaktipkeun \"bahaya sense\" na. Rasa bahaya nyaéta kaayaan dimana pikiran, awak sareng haténa sadar yén anjeunna kaleungitan jalan sareng lebet kana kaayaan salamet. Ieu penting! Dimana, langkung gancang pendaki sadar yén anjeunna asup kana kaayaan salamet, langkung gancang anjeunna bakal kaluar tina kaayaan salamet kalayan aman.\n\nSaterasna, nalika alarm rasa bahaya aktip, pendaki kedah langsung ngalakukeun teknik STOP (Stop, Think, Observe, Plan).\n\nEureun ngumbara sakedapan.\nTenangkeun diri, tenangkeun pikiran anjeun, coba pikir anu jelas sareng logis.\nTiténan sabudeureun (kaayaan alam, cuaca, lingkungan, logistik jeung kaayaan tim).\nJieun rencana nurutkeun kaayaan ayeuna. sanggeus ngalaksanakeun analisis STOP pendaki bisa mutuskeun leumpang atawa netep di hiji lokasi. Salaku tambahan, anjeun tiasa naek tangkal jangkung pikeun ningali jalan satapak.\nAnjeun tiasa make kompas pikeun nganapigasi darat dina usaha pikeun manggihan lokasi basecamp nu.\nAnjeun tiasa nengetan arah panonpoe pikeun nangtukeun arah angin. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5490", "text": "Tari tradisional Indonesia jadi salah sahiji kabudayaan nu menarik. Supaya saorang penari bisa mawakeun tarianna kalayan alus pisan, mantak kudu paham kana lima gerakan dasar tari. Nu kahiji nyaeta ngerayung nu dilaukeun na curuk dilebetkeun kana telapak tangan, ramo nu sejenna angger ajeg tapi rapet. Nu kadua nyaeta ngithing, jari tengah jeung curuk dihijikeun ngabentuk lingkaran, nu sejenna ngabentuk satengah lingkaran. Nu katilu nyaeta nyerumpit, posisi telapak tangan nyanghareup, tuluy jempol kena curuk, jari tengah jeung jari manis ditekuk ka handap ngabentuk setengah lingkaran, sedangkeun cinggir ditekuk ka luhur nepi ka ngabentuk hulu manuk. Nu kaopat nyaeta ngepel, tangan dikepeulkeun tapi jempol jeung cinggir rada di bukakeun. Nu kalima nyaeta ngukhel, posisi tangan diputer sabalikna jarum jam, tapi diakhiri ku gerakan ngithing.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4648", "text": "Dina perkembangan sacara ekonomi jeung perdagangan internet oge asup ka dinya ngamajukeun jualan beuli jadi leuwih gamoang jeung gancang. Kubakat ternologi internet anu maju pesat ieu jadi loba muncul pengusaha pengusaha anu buka toko di online nepi ka ayana aplikai atawa web khusus balanja anu di sebut market place saperti shopee, tokopedia, lazada, bukalapak jeung sajabana. Kusabab eta jadi ngarubah kabiasaan masarakat, masarakat jadi mulai balanja online, nu dagang online oge di untungkeun ku bisa boga toko teu kudu boga lahan jeung modal gede nepi ka aya sababaraha pagawean deui anu bisa di lakukeun i dinya saperti jadi dropshiper jeung oge ngaramekeun deui profesi atawa pagawean kurir.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8678", "text": "Teu siap pikeun bencana alam bisa nyieun hiji jalma ngarasa pisan sieun, hariwang, jeung teu daya. Tanpa persiapan anu leres, urang tiasa henteu terang kumaha tindakan nalika aya bencana alam, sareng eta tiasa nambihan panik sareng setres. Henteu disiapkeun pikeun bencana alam oge tiasa ningkatkeun resiko tatu fisik sareng trauma mental. Tanpa alat anu ditangtoskeun atanapi rencana evakuasi, jalma tiasa kajebak di atanapi caket daerah bahaya nalika aya bencana. Ieu tiasa ningkatkeun resiko tatu fisik bahkan maot. Sajaba ti eta, teu siap bisa nyieun hiji jalma ngarasa daya teu upaya dina nulungan batur nu peryogi pitulung nalika musibah lumangsung. Jalma-jalma bakal ngarasa macet sareng henteu terang naon anu kudu dilakukeun pikeun ngabantosan batur atanapi dirina.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6623", "text": "Abdi sareng rerencangan mineng ulin ka Mekdi lantaran tempatna cocok kanggo ngerjakeun tugas atawa ngobrol santai sareng rerencangan, di Mekdi aya wifim musola sareng kamar cai anu beresih, seeur oge colokan kanggo ngecas hape atawa laptop, Mekdi oge biasana buka dua puluh opat jam janten abi teu hariwang upami bade ngerjakeun tugas nepi ka wengi. Ayeuna-ayeuna Mekdi mineng masihan diskon upami urang ngadonlod aplikasina, teras di Mekdi oge ayeuna to seeur mesin kanggo mesen anu dahareun atawa minuman jadi leuwih gampang. Abdi upami datang ka Mendi biasana meser hayam sareng sangu jeung cai enteh. Tapi upami nuju teu gaduh artos biasana abdi mesen as krim hungkul.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5721", "text": "Sakabeh budak leutik teh pasti resep kanu ngaranna nyoo cai, komo mun nepi ka guyang mah. Guyang teh nyaeta hiji kaulinan mangrupa ngojay dina situ atawa di solokan nu aya di lembur. Biasana barudak balik sakola teh sok tuluy guyang. Samemeh nepi ka imah, bajuna geus dilaan kabeh. Geus kitu tuluy gejebur we guyang kana cai. Geus guyang, sok bari luncat oge tina sisieun situ atawa solokan. Mun geus seubeuh guyang, karek dipake deui baju seragamna. Tuluy baralik leumpang ka imah. Biasana nu sok guyang mah budak lalaki nu emang euweuh kasieun, jeung deuih tara dicarekan mun guyang ku kolotna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9369", "text": "Harita kuring sakulawarga mangkat ka bumi nini di Garut kusabab uwa kuring bade ngawinkeun putrina, nyaeta Teh Dira sepupu kuring. Matak resep ai aya nu ngawinkeun di lembur mah. Ti peuting teh tos rame ngarumpul di bumi uwa, kabeh araya aki, nini, uwa uwa jeung bibi-bibi ngarumpul di teungah bumi. Lamun teteh-teteh biasana sok ngarobrol di kamar panganten, kadang oge baru nyo’o bedak jeung alat dangdan nu sejen. Kuring jeung barudak nu sejen mah biasanya sok ulin di buruan, ulin ucing sumput atawa ucing kena, lamun geus cape sok moroan dahareun nu aya di dapur, meuni seueur harita mah dahareunna teh. Lamun rada peuting rek ka tengah peuting, biasana bapa-bapa mah sok ngobrol bari ngopi di hareupeun bumi bari ngingalikeun tukang dekor panggung jang nikahan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5824", "text": "Rini nuju ngumpulkeun acis gajihan nana kangge meser hape anyar. Hape Rini nu ayeuna teh tos rusak batrena, jadi teu tahan lama, paling ngan bisa dipake sajam mun batrena pinuh teh. Sedengkeun Rini butuh hape jang ngerjakeun pagawean nana mun dibawa ka imah. Mantak, ayeuna nuju ngumpulkeun acis jang meser nu anyar. Rini hoyong meuli hape Redmi 9T anu RAM na 6 gb supaya bisa nunjang pagawean nana, hargana dua jutaan. Geus dalapan bulan kukumpul acis, akhirna bisa oge kabeuli hape nu dipikahayang ku Rini. Rini ngarasa atoh pisan sabab bisa saperti biasa deui make hape anyar mah ngerjakeun pagawean nana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7654", "text": "Marekting atawa pamasaran mangrupakeun salah sahiji faktor anu paling penting dina bisnis, malah pamasaran teh jante lima puluh persen faktor suksesna bisnis urang. Matak teu heran seeur bisnis-bisnis anu geus gede, pamasaran na oge teu kira-kira badagna. Pamasaran ieu tiasa dilakukeun sorangan ku cara nawiskeun dagangan urang ka jalmi, atawa tiasa oge ngangge layanan iklan dina tipi, papan iklan, radio, di sosial media, koran, jeung sajabana. Satiap tempat iklan pasti benten pangaosna, hasilna oge benten. Komo jaman ayeuna mah tos usum anu ngarana endorse nyaeta masihan barang ka jalmi anu gaduh seeur followers anu bakal nganggo barang jeung jasa urang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6783", "text": "Seeur cara kanggo nyeepkeun waktos anu luang, di antarana maca buku. Abdi oge sabenerna mah asalna sanes jalmi anu resep maca buku, tapi lantaran hoyong pinter abdi maksakeun diri sorangan kedah resep maca, awalna mah maca nu gampang heula kawas novel atawa carita anu seeur gambaran, beuki lila digentos ku buku anu langkung beurat. Awalna maca buku anu ipis, beuki lila diganti ku buku anu langkung kandel. Intina mah kudu lalaunan tapi konsisten jeung tong ereun. Maca buku teh penting pisan lantaran urang janten seeur apal ngeunaan loba hal. Lamun sering maca oge urang pasti moal gampang dibobodo ku batur. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3083", "text": "Balanja online atawa online shop nyaéta kagiatan meuli produk atawa jasa ngaliwatan internét. Sadaya ieu kalebet mesen produk dina situs wéb atanapi e-commerce. Barang atanapi jasa anu dipesen teras bakal dibayar online nganggo kartu kiridit atanapi debit. Ngutip Marketbusinessnews.com, popularitas balanja online diprediksi bakal ningkat gancang unggal taun. Kanyataanna, sababaraha ahli ritel kaluar aya yakin yén balanja online baris geura-giru nyusul balanja tradisional dina istilah moneter. Di Indonésia kagiatan balanja online sorangan akrab pisan. Dumasar laporan survéy Status Literasi Digital di Indonésia anu dilakukeun ku Katadata Insight Center (KIC) babarengan jeung Kominfo, ampir kabéh réspondén dina survey geus balanja dina platform marketplace. Ngan sakitar genep persén responden nyarios yén aranjeunna henteu kantos nganggo pasar pikeun balanja.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7466", "text": "Benten sareng kamera DSLR. Sasuai jeung namina, kamera mirrorless mangrupakeun kamera anu teu gaduh eunteung. Janten, gambar atawa cahaya langsung kana asup kana sensor sapertos kamera saku atawa kamera hape biasa. Lensa di kamera mirrorless oge tiasa dileupa pasang sapertos kamera DSLR. Lantaran teu gaduh eunteung, ukuran kamera mirrorless ieu biasana langkung leutik tibatan kamera DSLR. Kamera mirrorless oge biasana gaduh kaleuwihan nyaeta tiasa ngirim poto langsung tina kamera ka hape. Janten lamun urang resep popotoan teras hoyong dikirim ka sosial media tiasa langsung, teu sapertos kamera DSLR anu kedah mindahkeun heula poto nu aya dina kartu memori ka laptop.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6729", "text": "Lamun resep ulin di cai, tong ka pantai atawa curug wae. Urang oge tiasa ulin di situ. Aya hiji situ anu letakna rada nyumput di Bandung. Seeur nu masih keneh teu apal tempat ieu, namina Sanghyang Heleut. Lokasina aya di caket PLTA. Tepatna di Rajamandala Kulon, Cipatat. Upami angkat ti Bandung urang tiasa ngangge jalan raya Bandung-Cianjur teras lebet ka gerbang Waduk Saguling. Urang bakal ngaliwatan Sanghyang Tikoro. Lamun mapay 200 meter deui urang bakalan dugi ka pos ka Sanghyang Heuleut. Ti pos urang kedah mapah deui dua jam nepi ka lokasi. Tiket asup ka kawasan ieu ngan sapuluh rebu, ditambah keur parkir lima rebu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "437", "text": "Kisah ieu nyaritakeun ngeunaan kahirupan aki-aki nu hirupna sederhana jeung jadi warga desa nu sederhana. Hiji poe manehna manggihan tangkal gedang nu keur buahan di hareupeun imahna, tapi ngan sababaraha buah nu siap jang dipanen. Isukna pas manehna nyoba metik buah eta, manehna manggihan aya jelema nu maok buah eta. Tuluy aki-aki eta depresi sabab gedang eta jeung istrina oge sedih bari reuwas lantaran hal eta. Isukna buah gedang masih aya. Pas sorena, aya nu sumpik ka imah aki-aki eta jeung manehna mibogaan sababaraha gedang anu gede. Manehna teh nyaeta hiji pemuda nu can pernah katinggali saacanna. Geuningan eta teh pemuda nu maok buah gedang eta jeung ngarasa kaduhung jeung ngaku geus maok gedang. Ti saprak eta manehna meuli sorangan gedang di pasar.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9397", "text": "Ngonsumsi sayuran unggal poe penting pisan pikeun ngajaga kasehatan pencernaan. Sayuran jadi salah sahiji kadaharan pokok anu bisa diolah jadi sagala rupa asakan sapopoe. Sajaba ti eta, sayuran ngandung serat anu bisa ngabantu ngajaga fungsi pencernaan normal jeung nyegah masalahna saperti sembelit jeung panas dalam. Sajaba ti eta, sayuran oge miboga vitamin sarta mineral nu diperlukeun ku awak, sarta ngandung antioksidan anu bisa mantuan ngurangan resiko panyakit kronis kayaning panyakit jantung sarta kanker. Ku ngonsumsi sayuran unggal poe, awak urang bakal ngasaan mangpaat kasehatan anu luar biasa. Janten, pastikeun ngabiasakaeun ngonsumsi sayuran unggal poe pikeun mangpaat keur kasehatan anu maksimal", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7430", "text": "ASUS mangrupakeun salah sahiji pausahaan anu ngadamel alat-alat elektronik sapertos laptop jeung hape. Taun 2018 ASUS tos mulai ngaluarkeun hape jenis ROG anu mangrupakeu singketan ti Republic of Gaming. Sasuai jeung namina, hape ieu dijieun kanggo saha wae anu sapopoe na ulin gim. Komo lamun mineng ulin gim dina hape, ASUS ROG Phone gaduh batu batre anu langkung awet lantaran dibekelan ku batre anu kapasitasna 6000 mAh. Hape ieu oge dibekelan ku layar 165 Hz anu bakal ngajadikeun urang leuwih nyaman pas ningal layarna, komo pas ulin gim anu seeur warnana. Lain eta hungkul, hape ieu oge dilengkepan ku speaker anu badag di bagian hareup. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7652", "text": "Salah sahiji hal anu tiasa urang lakukeun supados teu rugi dina bisnis nyaeta urang kedah teras ngalakukeun inovasi atawa parobahan dina dina bisnis urang supados teu janten bisnis anu kitu-kitu wae. Parobahan ieu teh sanes parobahan dina konsep mimiti bisnis urang, tapi parobahan dina cara-cara jeung strategi ngalakukeun bisnis anu anyar anu saluyu jeung parobahan jaman. Bisnis urang moal maju-maju lamun urang teras ngalakukeun cara-cara anu teu sasuai jeung kabutuhan jelema di jaman ayeuna. Komo di jaman ayeuna anu sagala gancang, pasti bakal seeur pisan hal anu kedah disasuaikeun jeung jaman. Contona sapertos jualan online jeung cara mayar teu make duit atawa cashless.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7158", "text": "Celurit atawa Clurit lain ngan saukur senjata tradisional has ti Madura tapi teu bisa leupas tina budaya jeung tradisi masarakat Madura. Celurit mangrupikeun simbol kajantanan lalaki. Nurutkeun paniten budaya D. Zawawi Imron, senjata celurit teh gaduh filosofi, tina wangunna anu siga tanda tanya, bisa dihartikeun minangka wujud kapribadian masarakat Madura anu sok panasaran. Sanajan kitu, aya tafsir sejen, yen lantaran celurit teh bentukna bengkok sarupa jeung iga manusa. Ku lantaran eta, sangkan kajantanan lalaki teu ngurangan, iga nu leungit digentosan ku celurit anu diselapkeun dina beulah kenca cangkeng. Ceuk Mien A. Rifai, Celurit teh jati diri urang Madura. Kamana wae urang Madura indit, teu bisa leupas tina celurit.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2716", "text": "Awak manusa dirancang pikeun gerak sapertos lumpat, leumpang, luncat, jsb. Kapungkur, sateuacan téknologi berkembang pesat, jalma kedah milarian tuangeun ku cara ngagerakkeun anggota awak, kedah ikhtiar pikeun kéngingkeun tuangeun, henteu kedah olahraga deui sabab sacara henteu langsung parantos ngalaksanakeun kagiatan fisik anu lumayan. Tapi sanggeus téhnologi jeung sagala conveniences na geus jadi bagian tina kahirupan sapopoe jalma, aktivitas fisik hiji geus jadi torek. Awak manusa anu tadina dirarancang pikeun gerak, geus jarang dipaké kalawan bener, anu ngabalukarkeun turunna tingkat kaséhatan alatan métabolismena geus teu lancar. Tah, mimiti muncul panyakit sapertos diabetes, obesitas, panyakit kardiovaskular sareng anu sanésna nu maparing kasehatan nu leres.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5345", "text": "Hiji poe, Nunu ningali aki-aki geus kolot pisan datang catut kuku di gerbang kapus. Unggal mahasiswa nu ngalewat pasti ditawaran bari rada ditodong. Pas Nunu ngaliwat, si bapak aki eta teh nodong Nunu rada maksa supaya meser dagangan nana. Nunu nu karunyaan tuluy meuli dagangan si bapak aki. Kacida atohna eta bapak aki aya nu meser daganganna. Terus pas bade ngangsulan, Nunu nyarios yen angsulan na candak we kangge bapak aki. Deui-deui eta bapak aki bungaheun, bari ngadoakeun ka Nunu supaya lancar rezeki, lancar kuliahna, jeung lancar dina sagala urusanna. Nunu langsung angkat deui we tuluy ka kostan. Isukanna, Nunu kaleungitan acis dua puluh rebu, acis terakhir nu aya dina dompetna. Sapoe harita Nunu teu bisa meuli tuangeun. Pas siang aya babaturan nana masihan tuangeun ka Nunu. Alhamdulillah Nunu ngarasa katulungan pisan. Tidinya Nunu yakin kana kekuatan sedekah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7370", "text": "Sit up mangrupakeun latihan anu boga rupa-rupa mangpaat, utamana pikeun ngencangkeun otot beuteung sangkan katingali datar. Salian otot beuteung, jenis latihan ieu oge bisa mantuan ngalatih otot dada, panggul, pinggang handap jeung beuheung. Kauntungan sejen tina latihan ieu nyaeta kanggi ngaronjatkeun massa otot, ngaronjatkeun kasaimbangan awak, sarta ngaronjatkeun postur awak. Hal kahiji anu kudu dipikanyaho laun bade ngalakukeun sit up nyaeta posisi awak nalika ngalakukeun sit up, nyaeta ngagoler dina tonggong. Sanggeus eta, ngabengkokkeun tuur jeung napelkeun suku anjeun ka lantai. Hal ieu dilakukeun supados awak tetep stabil. Sanggeus awak ngarasa nyaman jeung saimbang, lengkah saterusna nyaeta nyaluyukeun posisi leungeun. Nalika ngalakukeun sit-up, tempatkeun leungeun dina posisi silang dina dada atanapi nempatkeun leungeun caket ceuli.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4483", "text": "Plank mangrupikeun jinis latihan anu tiasa ngalatih kalenturan dina otot. Sanaos katingalina sederhana, tétéla yén olahraga ieu ngagaduhan seueur kauntungan. Plank mangrupikeun jinis latihan anu ngagaduhan seueur mangpaat pikeun kaséhatan sareng kabugaran. Upami anjeun rutin ngalakukeun planks, otot anjeun bakal langkung kuat sareng bentuk awak anjeun bakal langkung idéal. Plank mangrupikeun jinis latihan atanapi latihan anu ngalibatkeun otot inti dina awak manusa. Lamun dipigawé rutin, plank mangpaat pikeun ngaronjatkeun kakuatan maksimum, kasaimbangan, jeung daya tahan. Plank mangrupikeun jinis latihan calisthenics anu museurkeun kana ngawangun otot sareng ngagunakeun beurat awak salaku dukungan pikeun beurat. Plank ogé kaasup kana kategori olahraga fleksibel, sabab bisa dipigawé iraha wae jeung di mana waé.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9517", "text": "Ngabogaan hobi senang teh nyatana alus pikeun kasehatan mental urang. Nalika urang ngalakukeun hiji hal anu urang resep, eta tiasa ngabantosan ngirangan setres sareng ningkatkeun kabagjaan urang. Salaku tambahan, hobi oge tiasa ningkatkeun konsentrasi sareng ingetan urang, sareng tiasa nyegah penuaan dini dina sel otak urang. Nyeepkeun waktos pikeun ngalakukeun hiji hal anu urang resep oge tiasa ningkatkeun kapercayaan diri sareng ningkatkeun rasa kapuasan pribadi. Ieu tiasa nyieun urang ngarasa langkung ngartos ka diri urang sorangan sareng langkung bagja dina ngalakonan kahirupan urang. Janten, tong ragu milarian hobi anu pikaresepeun sareng mimitian ngalakukeunana rutin. Ieu sanes ngan ukur mangpaat keur ningkatkeun kasehatan mental urang, tapi oge tiasa ngabantosan urang ngarasa bagja sareng gaduh kahirupan anu langkung saimbang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5103", "text": "Film Miracle in Cell No. 7 jadi film karesep abdi pisan sabab alurna nu teu bisa ditebak jeung kisahna nu haru pisan. Film ieu ngisahkeun saorang ayah nu kakurangan, dipenjara pedah kasalahpahaman. Anakna ngarasa euweuh deui batur hirup da ti leutik ngan duaan jeung ayahna. Geus kitu, diselundupkeun lah eta anakna teh ka sel penjara. Untungna, nu saruangan jeung ayahna ngalartieun, jadi bisa hirup babarengan jeung eta budak dina sel penjara. Tah, nepi ka ayahna maot dijero panjara. Anakna tuluy sakola jeung diajar sing tekun supaya bisa ngabebaskeun status narapidana jeung nyatakeun bahwa alhamrhum ayahna teu bersalah. Ah sedih pisan pokok na mah alur carita na teh. Pokokna ieu film wajib pisan ditonton ku sarerea sabab alus pisan alur jeung pengemasannana.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9473", "text": "Cara liburan loba rupana. Biasana, liburan dilakukeun sasarengan. Boh sareng kulawargi atanapi rerencangan. Nanging, liburan nyalira oge jadi salah sahiji pangalaman liburan anu miboga kesan anu moal bisa dihilapkeun. Aya sabab liburan nyalira atawa solo traveling jadi pangalaman anu sae. Salah sahiji alesan kunaon liburan nyalira langkung pikaresepeun tibatan liburan babarengan nyaeta urang tiasa ngajalajah sareng nikmati tujuan liburan sesuai saren rencana urang nyalira. Nalika urang liburan sasarengan, anjeun oge kedah ngemutan kahayang sareng karesep batur oge. Ieu tiasa ngawatesan urang dina pilihan kagiatan anu hoyong dilaksanakeun atanapi tempat anu hoyong dianjangan. Nanging, ku liburan nyalira, urang tiasa sacara bebas milih kagiatan atanapi tempat-tempat anu hoyong dianjangan, teu kedah merhatikeun kahayang jalma sanesna. Salian ti eta, liburan nyalira oge ngabuka peluang pikeun ngaluaskeun sosobatan. Nalika urang liburan sareng jalma sanes, urang sering ngan ukur nyambung sareng rerencangan wungkul. Nanging, ku liburan nyalira, urang tiasa nepungan batur anyar di tujuan liburan anu urang anjangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1966", "text": "Waktu keur latihan kerja lapangan (PKL) kuring ditarima ku salah sahiji hotél bintang 5 anu cukup kawentar di Jakarta. Lokasina cukup strategis di jantung ibu kota. hotél ieu mangrupa hotél modern jeung cukup anyar (ngadegkeun dina 2007). Seueur mitos atanapi carita anu matak ngabingungkeun anu sumebar di kalangan karyawan anu nyarios yén dina prosés ngawangun hotél ieu, aya kacilakaan proyek anu ngaku korban penjual bakso anu nuju ngagarap proyék nalika hotél diwangun. Disebutkeun yén penjual bakso ieu sering ngurilingan lanté luhur hotél (biasana di lantai 37-39). Abdi palatih, sajujurna, abdi teu pati ngaganggu kana mitos ieu, malah sering mungkir unggal senior abdi ngabahas hal ieu sabab keur kuring carita ngan dijieun pikeun nyingsieunan barudak latihan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2272", "text": "Kumaha carana milih buku carita barudak Islam\nMilih buku pikeun barudak téh hese-hese Gampang. Saméméh maca rékoméndasi produk, perhatikeun heula cara milih buku dongéng barudak Islam nu panghadéna di handap! Kahiji., adaptasi bahan buku kana naon anu rék diajarkeun barudak. Contona, pikeun ngajar budak leutik ngadoa, pilih buku papan anu disarengan ku gambar gerakan solat. Saeutik demi saeutik, ganti ku buku carita anu sanés upami budakna ngartos atanapi bosen. Silih ganti ku téma séjénna sangkan barudak masih kénéh resep maca buku dongéng barudak muslim. Kadua. Pastikeun eusi buku jeung gambar luyu jeung umur budak dina pamahaman téks jeung gambar nu terus tumuwuh sakumaha aranjeunna beuki kolot. Ku kituna, anjeun kudu milih buku bacaan luyu. Sacara umum, ilustrasi buku dongéng barudak Islam keur balita téh dina wangun papan tulis. Boardbooks dijieun tina kertas kandel sangkan buku teu gampang sobek. Fitur has sejen nyaeta eusi nu didominasi ku ilustrasi kalawan saeutik téks. Ukuran hurup dina téks condong badag. Pikeun murangkalih langkung umur lima taun, anjeun tiasa milih buku carita kalayan téma anu langkung beragam. Contona, buku carita barudak ngeunaan sajarah Islam atawa carita nu asalna tina Al Qur'an.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4561", "text": "Waktos liburan sakola jadi waktos anu paling efektif keur ngadekeukeun anak jeung kolotna, komo lamun nujadi kolot sibuk di gawe. Di waktu ieu lah wajtuna kolot na ngabuktikeun jeung sellu aya keur anakna nyieun anakna ngarasa bahagia jeung terkesajeung teu bisa di lupakeun, tapi salaku kolot pasti teu ngan hayang liburan keur hiburan hungkul pasti hayang tetep mere panjaran keur anak na tapi tetep seru jeung anakna teu ngarasa ieu teh aya pangajaran na. Nongton pertandingan olah raga jadi cara anu tepat lamun urang hayang mere pajaran ka anak tapi make cara anu santai jeung ngahibur kusabab dina nongto pertandingan olahraga budak bisa meunang pangajaran kapadulian terhadap sasama, sportivitas jeung bisa numbuhkeun motivasi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1582", "text": "Kumaha carana ngajaga hubungan pertemanan? Nu kahiji nu paling babari nyaeta kudu tetep ngajaga komunikasi jeung babaturan. Contona urang bisa ngirimkeun manehna pesan nu singkat atawa oge bisa berbagi foto di media sosial. Nu kadua ulah aya kompetisi, tiap jelema pasti hayang leuwih unggul tibatan batur, tapi ulah lakukeun ieu ka babaturan. Soalna persaingan mah bakal nyieun pertemanan jadi butut, ku sabab aya rasa hayang ngelehkeun. Nu katilu kudu mohokeun timburu. Pernah teu sih timburu ku sabab babaturan boga babaturan sejen? perasaan ieu tangtuna bakal ngaruksak hubungan pertemanan urang. Tangtuna manehna boga hak boga babaturan sejen salian ti urang, jeung bakal leuwih alus mun urang bisa wanoh oge ka babaturanna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7141", "text": "Lagu \"Ayam Den Lapeh\" mangrupa salah sahiji lagu daerah Minang nu pang populerna di Sumatera Barat. Lirik lagu “Ayam Den Lapeh” nyaritakeun hiji wanoja anu ditinggalkeun kabogohna. Lagu ieu dikarang ku Abdul Hamid sarta mimiti dipopulerkeun ku panyanyi Minang Lamo anu fenomenal jeung legendaris, Elly Kasim, ngaliwatan saluran YouTube na taun 2007. Nepi ka ayeuna, lagu “Ayam Den Lapeh” tos seueur ditembangkeun deui ku seeur panyanyi. Salah sahiji anu kasohor nyaeta Ria Amelia, dituturkeun ku Deredia, Mastura, Nashwa, Sonya, jeung sajabana. Popularitas tembang \"Ayam Den Lapeh\" ieu tery ereun-ereun, sabab cover-cover anyar salawasna muncul anu ngajadikeu ieu tembang tetep hirup sanajan geus heubeul.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4238", "text": "Oleh oleh dahareu tradisional indonesia lamun di sebutkeun moal aya eureuna, dahareun nu bisa di bawa pikeun oleh oleh loba pisan macemna, tapi lamun urang pangrespna kana kurupuk dorokdok anu ti garut. Rasa kurupukna garing teu bau, rasana gurih pisan, haargana ge murah,babari pisan di teagan malah sok aya nu daganga sup kana bes. Oleh oleh ini praktis di bawana hampang jeug sigana kabeh batur resepeun. Salian ti eta, kurupuk dorokdok teu ngan bisa jadi cemilan paranti nonton tv atawa ngobrol tapi oge bisa di jadikeun deungeun sangu da rasana nu gurih pisan rasa asin. Kurupuk dorokdok ieu di jieuna tina kulit sapi atawa munding.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3068", "text": "Indungna katingali kagok basa kuring dibombardir ku patarosan. Anjeunna memang teu nyaman diuk saprak mimiti datang, aya kalana leungeun smoothing na topéng leupas. Kuring diuk bari ngoconan buku KIA budak tuluy nanya nu sarua: \"Saleresna ti yuswa 5 sasih ibu-ibu teu acan dititah nyandak budakna ka dokter anak?\" Indungna jempé deui, “mun posyandu teu nitah kitu, nya salahna, Bu. Ayeuna abdi nyuhunkeun nami sareng alamat posyandu!” Sempalan dialog sabenerna lumangsung di kamar poliklinik kuring. Nalika murangkalih umur 15 bulan sumping kusabab beuratna sahandapeun garis beureum salami sababaraha bulan, iritasi kuring sanés tanpa alesan. Kuring sadar yén indung jeung kulawargana bisa ngalaman kasusah ékonomi, atawa meureun maranéhna boga alesan alus sejenna naha anak dibawa ka dipariksa nepi telat. Tapi kuring ogé boga kawajiban pikeun ngajarkeun kolotna kumaha carana ngurus budak maranéhanana, sarta di sawah mindeng ngan ramah teu bisa ngajawab masalah.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6134", "text": "Salah sahiji usaha nu nuju seueur diminati ku masyarakat nyaeta bisnis lewat marketplace. Salian leuwih simpel, penghasilan na oge leuwih konsisten bahkan leuwih menjanjikan. Usaha ieu loba dipilih sabab bisa dilakukeun ku saha wae. Mun teu gaduh modal ge kan bisa jadi afiliator tina sagala rupa usaha. Teu kudu gaduh modal, jeung moal apal nu namina karugian sabab kan sebagai perantara hungkul. Cobian usahana ge nu peluangna ageung. Pilih produk anu leuwih dibutuhkeun tibatan diinginkeun. Mantak, yuk muka usaha tanpa modal ku diajar ngalapak dina marketplace! Tong nyia-nyiakeun kasempatan, selagi masih bisa usaha mah supaya bisa manjangkeun rezeki jeung silaturahmi ka sasama!", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8087", "text": "Keur usum covid-19 teh urang kudu ngurangan mobilitas atawa perjalanan pikeun ngurangan penyebaran virus. Sanajan tim kanyaah urang tanding di stadion urang kudu ngarti upami teu kenging indit ka stadion. Cekap lalajo di imah liwat tv atanapi hp ge tiasa. Sanajan teu lalajo langsung ge moal ngurangan antusiasme arurang ngadukung tim kanyaah. Lalajo di imah tiasa janten leuwih rame upami lalajo sareng-sareng kulawargi sarerea. Salian eta lalajo diimah janten leuwih irit tur mirah dibandingkeun lalajo di stadion. Teu aya biaya tiket atanapi biaya transport nu kudu dikaluarkeun sapertos upami lalajo langsung di stadion. Hayu ah urang tahan heula kahayang urang lalajo langsung supados kaadaan balik ka normal.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5811", "text": "Tilu hal nu kudu disiapkeun mun rek nonton pertandingan sepak bola nasional di stadion. Nu kahiji nyaeta tong hilap mawa alat jang ngadokumentasikeun, misalna hape atawa kamera, oge tong hilap mawa powerbank atawa baterai cadangan nana. Nu kadua nyaeta kartu identitas sabab penting pisan jang jaga-jaga bisi aya kajadian nu teu diduga samemehna. Nu katilu nyaeta tong nepi ka poho mawa tiket, sabab mun poho mawa tiket mah engkena moal bisa asup ka stadion. Omat tiket mah tong nepi ka tinggaleun pisan sabab jadi konci asup ka stadion. Salian eta, aya oge sababaraha kaperluan pribadi nu bisa dibawa, disasuaikeun jeung kabutuhan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4197", "text": "Ieu imah adat nu hiji boga ngaran séjén, nyaéta imah adat Kajang Lako. Wangunan imah kajang lako ieu wangunna sagi opat ukuran 12 x 9 méter sarta dirojong ku 30 tihang badag.Hateup imah Kajang Lako melengkung siga parahu anu dijieun tina sabut. Sajaba ti éta, imah tradisional ieu boga tilu panto jeung fungsi béda. Panto kahiji atawa panto nangtung dipaké salaku lawang. Saterusna, panto kadua atawa lawang masinding biasana dipaké salaku jandela. Tungtungna, aya ogé panto balik transverse, anu dimaksudkeun pikeun jalma terhormat, kayaning pamingpin tradisional. Kawas imah adat propinsi lianna, aya oge nu di pake oge musyawarah jeung upacara adat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "147", "text": "Ayeuna teu hese mesen tiket kereta api, bisa online langsung di web Kai, bisa oge ngaliwatan e-commerce siga Tokopedia, atawa ngaliwatan Indomart. Tapi aya nu cara nu lain mun misal geus nepi di stasiun tapi can mesen tiketna. Cara mesen tiket kereta api dadakan, ayeuna KAI (Kereta Api Indonesia) nyadiakeun layanan tiket box jang nu aya di stasiun jeung can boga tiket. Carana gampang, pilih menu kereta antar kota, tuluy eusian tanggal keberangkatan, relasi, ngeusian data diri, NIK, ngaran kereta, jeung jadwal keberangkatan. Tuluy pilih korsi nu saluyu jeung nu dipikahayang, utamana nu masih tersedia. Kanggo pembayaran, ngaliwatan Qris. Samemeh mayar, pastikeun deui nominal pembayaranna. Saenggeus berhasil, tiket langsung ka cetak. Mudah jeung praktis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1545", "text": "Nyiapkeun dana darurat tangtuna kudu pisan, lantaran kahirupan urang moal apal isuk atawa pageto masih sehat atawa henteuna. Tah data darurat ieu kudu disiapkeun ti jauh-jauh hari, ngameh duitna bisa kakumpul. Jang dana darurat biasana nyisihkeun tina pendapatan boh eta gajih gawe atawa meunang pamere, sok disisihkeun teh paling di bawah 50%, mindengna mah di angka 30% nan. Duit sapopoe jeung duit darurat sok dibedakeun tempat paneundeunana, ngameh teu ka coceng, komo ayeuna mah aya balanja nu bisa online nu matak teu karasa mun neundeun duit di m-banking teh, jadi sok disiasati neundeunna teu di m-banking tapi di pasar uang, nabung sabari investasi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "18", "text": "Restoran ala Jepang di Bandung, ngaranna RM. Ranca Bentang nu aya di jalan Cihideung Kota Bandung. Lokasina rada asup perumahan tapi tempatna bener-bener estetik jeung adem, tempat diukna oge loba, aya model saung aya oge nu indoor, tuluy aya oge nu dina bentuk kapal. Jadi engke bisa dahar di saung-saung kitu, tempana nyaman jeung luas pisan, loba oge spot foto, ikonikna nyaeta parahu. Cocok jang ngumpul bareng babaturan atawa kulawarga. Lamun kadieu alusna isuk-isuk, buka na ti jam 08.00 WIB nepi jam 20.00 WIB.Harga dahareunna oge murah mulai ti 5 rebu, aya snack nepika makanan berat. Pilihan nginumna aya kopi atawa non kopi. Didieu oge aya villa, jadi nu ti luar Kota Bandung bisa sakalian mondok.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9366", "text": "Aya rupa-rupa cara melak cabe, mimitian ti cara melakna dina lahan, pot, polibag, hidroponik, ogé dina pakarangan. Léngkah munggaran anu kedah dilakukeun nyaéta nggemburkeun taneuh, taneuh digemburkeun ku cara ngagali kalayan jerona sahenteuna 25 cm. Jero pikeun prosés ngagemburkeun taneuh mangaruhan tingkat kasuburan dina taneuh. Wangunan bedog kalayan rubak 80 cm atawa bisa ogé disaluyukeun jeung lebar plastik anu bakal dipaké, pikeun panjang bedog bisa disaluyukeun jeung panjang taneuh atawa bisa ogé nurutkeun naon kahayang urang. Méré jarak unggal lahan, nyaéta kira-kira 50 cm. Larapkeun pupuk kana bedeng anu geus kabentuk, pupuk anu digunakeun diantarana pupuk kandang, pupuk urea jeung pupuk KCL. Panutup pupuk anu geus ditarik ngagunakeun taneuh biasa, tuluy ditutupan ku plastik.\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "957", "text": "Masang kamera 360 tambahan di mobil butuh waktu nu lumayan lila, sakitar 4-5 jam gumantung kana mobilna, sabab beda mobil beda oge hesena. Lengkah nu mimiti jang masang kamera 360 di mobil nyaeta kudu ngabolongan heula cover spion. Saenggeus dibolongan, kamera bisa di saluyukeun jeung posisina. Saenggeus kamera dipasang di cover spion, tuluy bisa nuluykeun masang kabel nu saluyu jeung jumlah kamera nu rek dipasang. Mun geus kabeh kabelna dipasang, tuluy bisa ngalakukeun kalibrasi. Tuluy atur kamera 360 luyu jeung kabutuha, atur oge munculna gambar ti kamera sisi belah mana. Mun geus kabeh prosesna rengse, lengkah terakhir mah tinggal dicobaan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "529", "text": "Aya sababaraha mangpaat ngenalkeun lagu daerah ka anak. Nu kahiji ngenalkeun rupa-rupa budaya. Ngaliwatan lagu daerah jeung musik tradisional makan bisa langsung ngenalkeun ragam budaya negeri ku cara leuwih babari. Salian ngenalkeun lagu daerah, bisa oge nyaritakeun adat istiadat di tiap daerah sacara lengkap siga baju adat, tarian, jeung alat musikna. Nu kadua ngabeungharkeun jenis musik jang anak. Penting pisan jang ngenalkeun lagu anak daerah jang anak sabab kahareupna maranehna nu bisa ngenalkeun rupa-rupa jenis musik jadina elmu ngeunaan musik daerah bisa leuwih loba. Nu katilu numbuhkeun rasa percaya diri jeung kreativitas. Ieu modal penting pas dewasa di mana rasa percaya diri jeung kreativitas bakal tuluy mekar sairing jeung nambahna elmu ngeunaan lagu daerah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1856", "text": "Kuring kaget ku hasil barudak masak teh tétéla ngeunah pisan. Nyatana, nalika masihan ngajar nyieun kueh kuring ngan ukur ngajelaskeun dasar-dasarna. Kusabab tujuan kuring nyaéta ningali sabaraha jauh aranjeunna tiasa janten kreatif kalayan alat sareng bahan anu sederhana. Jeung tétéla maranéhna bisa narjamahkeun ogé. Rupa-rupa bentuk kueh anu teu disangka-sangka tadi mucunghul. Waktu ngasaan kueh na, ingetan kuring ngalayang ka imah, ka bapa, indung jeung adi di Jakarta. Abdi ayeuna dahar weh kueh ieu, anu geus tradisi kulawarga saprak budak leutik, nu sarua jeung murid favorit kuring. Basa leutik maranéhanana ogé resep masak. Ieu pangalaman nu kainget pisan jang pribadi kuring.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1544", "text": "Boga pasangan teh kudu anu sehat, sehat dina artian kudu suci ulah hayang ngaruksak. Siga urang salila bobogohan acan pernah nyabak leungeunna, atawa manehna nyender ka urang. Sabab hubungan jeung pasangan ku urang dijaga pisan, salila acan halal embung ngalakukeun hal-hal nu matak nyieun dosa. Ieu kudu dilakukeun ku loba pemuda-pemudi nu keur bobogohan, enya oge keur di mabuk cinta. Tapi kahurmatan awewe teh kudu dijaga, ulah diruksak. Urang oge embung kan mun narima barang nu ruksak? Bobogohan mah sakadarna weh ulah kaluar norma komo ngalakukeun hal-hal anu dilarang ku agama. Salian ti dosa, urang oge bisi jadi meunangkeun masalah sejen kahareupna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3037", "text": "Pngalaman abdi. Pagawe VS Pangusaha. Kasang tukang kuring téh kulawarga gawé. Bapa abdi tos 40 taun damel di perusahaan anu kasohor di Indonesia sareng jabatan anu lumayan luhur. Indung kuring pernah digawé tapi nalika kuring SD anjeunna eureun sarta mutuskeun pikeun jadi ibu rumah tangga. Hirup mah bisa disebutkeun sok aya dina zona aman. Abdi gaduh 3 duduluran awéwé, sadayana digedékeun sacara praktis, urang gaduh pembantu di bumi, supir upami urang angkat, urang liburan sakali atanapi dua kali sataun babarengan sareng unggal minggu ti budak leutik urang gaduh hobi ningali / ngeunteung salaku hiji kulawarga. Sabenerna, bapa urang sanggup muka usaha, tapi kusabab anjeunna teu nyaman sareng padamelan sareng gaduh sababaraha pertimbangan, anjeunna henteu ngalakukeunana. Kolot urang sok ngajar, urang kudu nahan duit mun geus loba, leuwih hade setor kan? Paling anti ngaran hutang. Kami diajarkeun pikeun gaduh sababaraha tabungan, pikeun kaayaan darurat / kanggo liburan. Ieu kumaha urang diajarkeun di bumi sabab bapa kuring leres-leres lalaki anu pinuh ku perencanaan anu saé. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2321", "text": "Prosés upacara Ngaben téh rada lila. Upacara Ngaben dimimitian ku Ngulapin nu dilaksanakeun di Candi Dalem, dimana kulawarga ngalaksanakeun ritual ménta idin jeung restu ka Dewi Durga. Sanggeus éta, upacara Mesheh Lawang dilaksanakeun di Catus Pata atawa di tepi kuburan anu tujuanana pikeun malikeun deui cacad atawa ruksakna awak anu dipigawé sacara simbolis. Saterusna dilaksanakeun upacara Egyptam atawa Mabersih, nya éta nyeuseuh layon, anu kadang-kadang ngan diwangun ku tulang, di rumah duka. Sanggeus éta dilaksanakeun upacara Ngaskara, nyaéta tahap awal upacara nyucikeun jiwa. Diteruskeun ku Nerpana, nya éta upacara ngahaturkeun sesajen atawa sasajén ka arwah anu geus maot. Puncak tina prosesi Ngaben nyaéta Ngeseng Sawa, nyaéta ngaduruk mayit anu dilaksanakeun di setra atawa kuburan. Layon anu rék diduruk disimpen dina réplika sapi anu disebut Petulangan. Petulangan nyaéta tempat ngaduruk mayit anu fungsina minangka pangwanoh roh ka alam roh nurutkeun hasil amalna di dunya. Sanggeus layon diduruk, dilaksanakeun upacara Nuduk Galih, di mana kulawarga ngumpulkeun sésa-sésa tulang (lebu) mayit sanggeus diduruk. Iring-iringan anu terakhir nyaéta Nganyut, nyaéta nyeuseuh lebu mayit ka laut, minangka perlambang balikna unsur cai jeung ngahiji deui jiwa jeung alam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6653", "text": "Minuman sehat anu dipikaresep ku sajaba kalangan nyaeta jus. Jus aya seeur rupina, aya jus bungbuahan, jus sayur, aya oge campuran bungbuahan jeung sayuran. Ngeleeut jus sehat lantaran bahan dasarna ti buah jeung sayur anu seeur kandungan seratna. Abdi resep pisan jus buah kaweni atanapi buah arumanis, komo mun dicampur es batu pasti seger pisan sapertos ngadahar eskrim buah. Abdi oge resep jus stroberi lantaran rasana haseum seger. Tapi di antara jus bungbuahan abdi paling sering meser jus jeruk lantaran hargana anu mirah jeung rasana anu seger. Abdi biasana meser jeruk anu diperes teras dipasihan cai gula sakedik tong seeur teuing supados aya rasa haseumna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4187", "text": "Indonesia ngabogaan upacara adat tradisonal anu teu ka itung loba na. Upacara adatanu lengkep tinu upacara lamun erek ngawahan ngajieun sesuatu, upacara wujud rasa syukur, upacara kawinan nepi ka upacara kamatian. Ieu bisa kajadian kusabab indonesia masih loba keneh masarakatna anu terus ngalajengkeun tradisi adat istiadat nu ges aya ti jaman baheula nu di ajarkeun ku para karuhun samemeh urang. Upacara ieu oge bisa di jadikeun warisan kabudayaan anu kudu terus di lestarikeun nepi ka ayeuna. Salian ti wujud cara urang ngahargaan jeung ngahormatan karuhun jaman ayeuna acara adat adat kieu bisa bisan di jadikeun acara paranti narik wisatawan. Wisatawan hususna nu ti luar negeri resep pisan ka kabudayaan urang anu di anggap unik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "103", "text": "Aya wisata Bandung tapi suasana na siga di Belanda, ngaran tempatna Rainbow Garden di Lembang. Udarana sejuk jeung loba hamparan kembang-kembang warna-warni, aya beureum, koneng, hejo, ungu, oranye, jeung coklat. Lokasina aya di kawasan Floating Market Lembang. Salian ti wisata jeung foto-foto, kadieu oge nambah elmu ngeunaan rupa-rupa tanaman, saperti Miana, Lavender, Daisy, Irian Flame, Iriancis. Jadi bisa liburan sabari diajar. Beda jeung di tempat nu lainna, kembang-kembang didieu bisa dibawa balik oge, tapi ulah langsung dipetik kudu meuli heula di toko souverirna. Tiket asupna ngan Rp 20.000 geus kaasup meunang welcome drink oge, engke tiketna bisa ditukerkeun kana susu murni.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9309", "text": "Hiji deui hal penting lainna anu kudu aya dina hirup jeung pasangan, nyaeta komunikasi anu terbuka. Dina hirup duaan jeung pasangan teh sabisa mungkin urang kudu ngajauhan sipat pacicing-cicing lamun keur aya masalah. Lamun urang aya masalah atwa aya anu dipikarasa teh, urang kudu jujur ka pasangan. Ameh teu aya anu dipendem sorangan, ameh teu kudu nyimpen sorangan, engkena bakal jadi bom waktu anu bakal meledak iraha wae. Komunikasi anu saling terbuka oge bakal ngagampilkeun urang jeung pasangan mendakan jalan kaluar atawa solusi tina masalah anu keur dihadapi. Teu kabayang lamun hirup duaan tapi teu pernah ngobrol jeung teu apal karesep masing-masing, jang naon hirup duaan ari kitu mah. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3959", "text": "Monas sabenerna lain tempat anyar nu viral, tapi monas ngabogaan daya tarikna sorangan, nepi ka rame keneh di datagan ku loba batur nepi ka ayeuna. Monas atawa Monumen Nasional di jadikeun tempat wisata nu kudu pisan di datangan mun ka jakarta ku jelema nu lain ti jakarta. Aya nu ngomong canka jakarta lamun can ka monas. Tempat wisata monas tara pernah sepi pangujung aya wae unggal poe nu datang ka monas aya nu sakadar hayang ningali hungkul ti kajauhan aya oge nu nepi ka asup ka jero na di ajar sejarah kumaha di banguna monas, jeung naek ka lantai pangluhurna di monas jadi bisa ningali sakabeh jakarta. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "551", "text": "Peuyeum salah sahiji oleh-oleh khas daerah Bandung. Peuyeum mangrupakeun hasil olahan tina sampeu anu geus diferementasi. Lamun asal muasalna mah peuyeum teh asalna ti Desa Cimenyan, Kabupaten Bandung. Anu mimitina teh ti masarakat nu biasa ngadahar sampeu salaku pangganti sangu nu geus hese dipiboga pas zaman kolonial. Tidinya produksi sampeu oge ngalobaan nepikeun ka masarakat mimiti neangan cara ngameh sampeu ieu teu babari buruk jeung bisa disimpen jang waktu anu lila. Nepikeun ka ayeuna kawasan Cimenyan masih nyieun peuyeum Bandung anu jumlahna lumayan loba. Didinya oge loba pengrajin peuyeum nu geus boga usaha peuyeum salila puluhan taun. Tapi ayeuna mah teu ngan ukur di Bandung hungkul peuyeum dijadikeun oleh-oleh teh, tapi ti Garut, Cianjur, oge Sumedang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2738", "text": "Di Game Total war shogun aya Ciri séjén khas Jepang anu dibawa dina kaulinan ieu nyaéta Bushido jeung kahormatan (Honor). Pamakéan budaya anu kacida ngajungjung sumanget perang jeung kahormatan ngajadikeun Shogun 2 boga sistem Honor anu kudu diperhatikeun sacara saksama. A Daimyo bisa leungit beungeut lamun pasukan nu dipingpinna langsung eleh perang, teu mantuan wewengkon séjén nu jadi sobat lamun merlukeun, jarah ka karaton musuh manéhna ngéléhkeun, pindah agama Kristen, jeung ngantep jenderal nu kahormatan geus tarnished (pikeun Contona, mindeng kaleungitan perang) teu bunuh diri (seppuku). The Daimyo anu Honor geus fallen bakal nyanghareupan pamberontakan populér sarta jenderal anu nyoba maéhan anjeunna pikeun nyokot posisi Daimyo. Dampak bahaya ieu ngajadikeun sistem Honor teu matak enteng.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7997", "text": "Jajanan budak nu biasa diicalkeun dihareupeun sakola tos mangrupi-rupi rupana. Hiji patuangeun nu ngeunah sareng gampil dijieun nyaeta endog gulung. Bahan utama jang nyieun endog gulung teh nyaeta endog, tipung, bihun, sareng bumbu-bumbuan. Nyieunna gampil, mimiti endog dicampurkeun sareng tipung tong hilap oge ditambihan cai ngarah rada encer. Panaskeun minyak, upami tos panas adonan tadi teh saeutik-saeutik diasupkeun ka minyak. Keur nambahan tekstur endog gulung asupkeun oge bihun nu tos rada leuleus ka minyak. Teras digulung ku nyere atawa awi leutik nika mangrupakeun sasatean. Kur nambihan cita rasa bere bumbu-bumbu sapertos barbeque, balado, keju, atawa jagung bakar ka endog gulung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5109", "text": "Salah sahiji hobi nu nuju digandrungi pisan ku budak ngora nyaeta naek gunung atawa nu sok disebut hiking. Unggal libur damel pasti we sasaran utamana teh hiking. Malahan mah aya nu ngajadikeun hiking teh sumber panghasilan utama. Hiking oge dijadikeun salah sahiji sarana pengalihan tina hiruk pikuk perkotaan, supaya balik deui ka suasana alam. Hiking saolah jadi kagiatan wajib generasi Z. Seueur nu nargetkeun hiking ka unggal gunung di Indonesia, dugi ka bebelaan nabung supaya tiasa kalaksana. Enya da hobi mah saolah teu meunang henteu. Aya kapuasan tersendiri mun beres ngalaksanakeun na teh. Hiking mulai rame ti saban covid-19 an.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "516", "text": "Sanajan geus teu loba manggihan, imah adat Sunda mibogaan sababaraha ciri anu khas, jadina bisa babari apal imah adat ieu. Nu kahiji dina posisina, biasana imah adat ieu ngan nyanghareup ka arah kulon jeung wetan. Hal ieu saluyu jeung pamahaman masarakan Sunda dina ngawangun imah. Nu kadua tembok, ciri khasna nyaeta materialna nu dijieun tina anyaman awi. Sabab dijieun tina awi, tangtu tembok teu kabentuk rapet nu ngamungkinkeun aya angin nu asup di luar, jadina sirkulasi angin cukup alus. Nu katilu lantai, lantai dijieun tina awi nu geus dipotong-potong jeung geus disusun rapih pisan. Sarua siga tembok, hal ieu nyieun imah mibogaan sirkulasi anu alus.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7969", "text": "Sateuacan numpak angkot urang kedah merhatikeun sababaraha hal supados teu salah basa urang numpak angkotna. Anu kahiji urang kedah mastikeun heula urang bade ka mana tujuanna kanggo nentukeun angkot mana anu bakal urang tumpakkan lantaran di Bandung mah biasana aya sababaraha angkot anu jalurna pasalingsing di jalur anu sarua tapi tujuan akhirna benten. Lamun bisa mah urang naros heula ka rerencangan anu geus lami cicing di Bandung supados teu ditipu ku tukang angkot. Komo biasana sopir angkot mah sok ngabobodo panumpang supdos manehna numpak ka angkotna, biasana sok diarahkeun kanggo numpak angkot manehna sangkilang panumpangna kedah naek dua kali, padahal bisa wae numpak angkot anu hiji kali langsung nepi ka tujuan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "71", "text": "Ayeuna mah teu kudu boga dapur jang masak, teu kudu boga kompor jeung gas tabung. Asal boga panci elektrik, jeung aya listrik pengganti gas tabungna. Urang keur jaman kuliahan, lamun di kos sok masak sorangan, enya ge kos leutik euweuh dapuran, tapi masih bisa masak sorangan. Sabab boga alat masak panci elektrik. Jadi lamun hayang ninyuh mie ge babari, tinggal di caian pancina, tuluy nungguan 3 menitan, si cai geus ngagolak, asupkeun weh mie na. Da teu lila ge asak. Lamun hayang ninyuh cai kopi oge gampang, urang sok naheur heula kana panci eta. Salian ti eta, bisa oge nyeupankeun dahareun ngameh haneut deui, ieu mah lamun urang meuli rencang sangu, sok dihaneutkeun heula samemeh di dahar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1145", "text": "Boga dulur nu jago gambar kartun, manehna anak yatim. Jadi urang boga ide jang nyalurkeun bakatna oge meh manehna boga duit tambahan. Tah urang nitah manehna ngagambar sababaraha karakter kartun, baheula mah nu keur rame teh kartun konan. Geus beres ku urang di fotokopi, baheula mah motokopi lima ratuseun oge meunang loba, aya kana sapuluhan mah. Hasil fotokopian eta, ku urang dijual ka babaturan di sakola saharga dua ratus perak. Ieu sabenerna geus untung gede, sabab modal hiji lembarna ngan lima puluh perak. Gambar nu geus dibeuli ku babaturan biasana sok langsung diwarnaan ku maranehna make patlot gambar warna-warni. Ngagambarna sakreatif maranehna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4761", "text": "Jaman sosial media ayeuna bisnis jualan online teh boga paluang anu gede pisan. Geus loba contoh na loba pangusha panguaha anu jualan tina online jadi sukses jeung beunghar. Jualan online emang loba kauntungan nana salah sahijina nya teu kudu ngabogaan loba tempat tapi nya gumantung oge kana jinis usahana. Lamun urang ngajual baju ti online biasan aurang teu butuh tempat anu lega pikeun dagang. Di ruang tamu imah oge mahi lamun skala na leutik mah kan ngan di pake saukur jualan bias na mah di pake paranti ngadisplay barang na. Urang kari live di sosial media keur ngadangkeun nana ngke lamun batur loba nu nonton bisa langsung meli pake link anu geus di sadiakeun didinya.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "571", "text": "Kuda Renggong mangrupakeun kasenian khas Jawa Barat nu mintonkeun kaparigelan kuda dina atraksi jeung nari saluyu jeung irama musik. Kasenian ieu asalna ti Sumedang. Kecap renggong mibogaan harti dina bahasa Sunda nyaeta kamonesan. Kuda dilatih ku cara leumpang saolah-olah nari miluan irama musik saperti kendang. Kuda renggong ngan dipintonkeun di desa jang ngaramekeun acara saperti acara sunatan. Kasenian ieu tuluy mekar nepikeun ka bisa jadi agenda taunan. Salian ti atraksi, lalaki anu disunatan oge bakal didangdanan saolah-olah saperti arjuna, kitu oge jeung kuda nu dihias make pakean kuda anu gagah. Jadi bentukna teh pawai jeung biasana kasenian ieu mintonkeun 1 nepikeun ka 4 kuda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2810", "text": "Naon daptar profesi anu bakal diganti ku robot dina mangsa nu bakal datang? Henteu kedah ka hareup, ayeuna parantos seueur.\r\nTellers → ATM. Petugas Pembayaran di jalan tol → Gerbang otomatis mayar emoney Teu kacaturkeun pabrik, loba mesin nu diganti, sabab mesin mahal di awal, tapi salila dipaké moal aya demo nuntut THR jeung naékkeun gaji. . Kecerdasan jieunan anu dilakukeun antara séjén dina widang Pelatihan Kabugaran sareng Panaséhat Keuangan.\r\nAya réstoran sushi geus ngagunakeun robot dina hal delivering dahareun. Rata-rata padamelan anu diganti biasana anu ngagunakeun otot, sedengkeun AI bakal ngagentos padamelan anu ngagunakeun otak. Malah sababaraha tugas pilot geus diganti, nyaéta ku ngagunakeun pilot otomatis. Supir ogé tiasa diganti engké ku Vihicle otonom, contona supir pangiriman, treuk di tambang ogé tiasa diganti tanpa supir.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3965", "text": "Sabtu kamari urang sareng rerencangan bade liburan sakedap sabab ngan sakedap ngan nginepna dua poe di Bandung. Urang mangkat ti puwakarta naek kareta ka bandung terus turun di stasiun, Urang mangkat ka stasiun naen angkot heula ku sabab hoream mun kudu nitipkeun motor atawa mobil di stasiun. Urang nek kareta jam 9 isuk, di bandung urang mesen hotel nu di pesen teu jauh ti stasiun bandung jarak na ngan babaraha meter. Kusabab liburan na ngan sakeudeung jadi teu milih hotel mewah, tapi hayang nyobaan hotel kampus di Bandung, nyaeta Bobobox Pods Pascal. sanggeus check in terus meunang kamar. kamarna alus pikeun hotél kapsul, jarakna ogé teu jauh teuing tina angkutan umum.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5756", "text": "Sakola abdi ayana di sisi wahangan Citarum, ku kituna di sakola na ge aya ekskul arung jeram. Ekskul ieu teh kabilang ekskul nu jarang pisan jeing teu aya di sababaraha sakola. Ekskul arung jeram di sakola abdi mah ayeuna tos aya dua puluh anggota, jadi salah sahiji ekskul nu dibanggakeun di sakola. Prestasi nu tos diukir ku ekskul arung jeram teh masihan sumbangsih pisan kana ngaharumkeun nama sakola. Biasana latihanna unggal poe Sabtu jeung Minggu ti jam tujuh isuk nepi ka jam salapan, tuluy sambung deui jam dua beurang nepi ka jam opat sore. Mun hayang asup ekskul ieu teh syaratna ngan hiji, aya kawani jeung aya kadaek dina diajarna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8133", "text": "Ayeuna aya produk kulkas ti merek Changhong nu unik, nyaeta kulkas mini. Kulkas mini ieu teh cocog pisan pikeun dianggo di kos atanapi di hotel-hotel. Saluyu sareng ngaranna ieu kulkas emang mini. Jangkung, lebar, sareng panjangna teu tebih ti satengah meter. Ukuran tangtosna mah nyaeta 474 x 447 x 496 mm hungkul. Volumena ngan 46 liter, ku volume sakieu dayana ngan 50 watt, luewih alit dibanginkeun kulkas nu biasa. Rak-rakna berbahan tempered glass janten elegan tur gampil upami bade dibersihkeun. Panyekelanna ekonomis tur ergonomis janten merenah dianggo. Suhu pang tiisna tiasa nika keun -7 darajat celcius, tombol pengaturan shuu na ge gampil dianggo.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "558", "text": "Bungkusan ramah lingkungan nyaeta bungkusan nu didesain ngameh teu nyiptakeun dampak buruk keur lingkungan. Ieu penting oge diterapkeun dina bungkusan oleh-oleh khas daerah ngarah babari di daur ulang jeung bisa digunakeun deui. Singkatna mah bungkusan nu berkelanjutan teh nyaeta bungkusan nu teu ngaracunan lingkungan alam, mimiti ti cara nyieunna nepikeun ka bungkusan eta dipiceun. Ulah make plastik, sabab plastik butuh nepikeun ka 500 taun jang diuraikeun. Tangtuna ieu bisa jadi ngabahayakeun jang ekosistem. Sanajan plastik bisa didaur ulang, plastik lain bahan nu dikategorikeun ramah lingkungan. Usahakeun ulah make plastik jadi kudu neangan alternatif nu sejen, salila ieu loba nu ngagunakeun teh kusabab murah biaya produksina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5042", "text": "Gunung Papandayan jadi salah sahiji wisata andalan di Jawa Barat. Lokasina aya di Cisurupan, Kabupaten Garut. Di Gunung Papandayan aya menara pandang nu tiasa ningali endahna komplek Papandayan. Aya oge kolam renang cai panas jeung taman edelweiss di caket parkiran. Parkiran na luas pisan, fasilitas kamar mandina oge memadai pisan. Tah, nu jadi salah sahiji kaunikan didieu nyaeta hutan mati. Hutan mati mangrupakeun tempat hutan nu tatangkalan na mati harideung sabab kakenaan erupsi gunung Papandayan. Tah justru tatangkalan nu paraeh ieu nu jadi daya tarik sabab bentuk na nu unik. Ieu tempat instagramable pisan, jeung deuih jarak na ti parkiran teu pati jauh, ngan sajam satengah tracking santai teh. Pokokna ieu spot foto nu wajib pisan aya dina feed instagram!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4087", "text": "Dina ajaran Islam, unggal mu’min diwajibkeun sholat lima waktu. Kawajiban sholat lima waktu sapoe sapeuting dijelaskeun dina Al Qur'an dina QS An Nisa 103, QS Al Baqarah 43, QS Al Baqarah 238. Sholat teh tanda bahwa urang taat ka Allah SWT, Kagunaan sholat nyaeta jadi tiang agama, sholat bisa jadi konci surga, jeung bisa nyegah tina lampah keji jeung mungkar, Sholat jadi nu kahiji bakal si hitung dina poe hisab ngke. Salian ti sisi agamana sholat oge ngabogan lb mangfaat ti sisi kasehatan nyaeta sholat mangrupa wangun latihan sarta ngaronjatkeun métabolisme hiji, kaasup ngaronjatkeun kaséhatan cardiovascular sakabéh. Gerakan solat ieu ngalibatkeun ruku dina arteri tukang, supados tekanan getih anu ngalir ka jantung janten lancar.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7990", "text": "Aya hiji patuangeun nu jadi ciri khas di Sukabumi. Patuangeun nu kakoncara ieu disebat moci. Moci mimiti dikenalkeun ka daerah Indonesia khususna daerah Sukabumi keur masa panjajahan Jepang kira-kira taun 1943 nika taun 1945. Kacaritakeun keur jaman panjajahan Jepang aya hiji markas tentara Jepang di daerah Sukabumi nyaeta sakitaran Kampung Kaswari atawa nu ayeuna kasebat SECAPA. Didieu mimitina masarakat Sukabumi diajar nyieun moci langsung ti urang Jepang. Saatos Jepang indit ti Indonesia, masarakat-masarakat di daerah tadi khususna masarakat Tionghoa ngalanjutkeun nyieun moci nika ayeuna moci jadi patuangeun khas Sukabumi. Salah sahiji produsen moci nu tos kakoncara kamana-mana nyaeta Moci Lampion atawa disebat oge Moci Kaswari kusabab diproduksi di kampung Kaswari. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1938", "text": "\"Camping\" atanapi kémping mangrupikeun alternatif liburan anu pikaresepeun anu tiasa dilakukeun di luar. Ngarasakeun kaéndahan alam ngaliwatan kagiatan camping bisa ngurangan kabosenan ku hiruk-pikuk kagiatan sapopoé di perkotaan. Pamandangan alam anu éndah sarta hawa anu tiis di wewengkon Cidewata jadi daya tarik utama para wisatawan. Sarana anu aya di buper Cidewata diantarana tempat kemah, sapédah gantung, program pendidikan “outbound”, wc, mushola, lapak jeung ayunan. Salian ti éta, buper Cidewata ogé nyadiakeun fasilitas nyéwa tenda, “sleeping bag” jeung “hammock”. Sajaba ti éta, kadang wisatawan ogé bisa ngarasakeun pintonan langit dihias ku layung upami kantos hujan. ditambihan fasilitas akses jalan nu gampang diakses mobil ukuran sedeng, buper cidewata mangrupakeun altenatif nu cocok jang balarea.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4524", "text": "Lari mangrupa salah sahiji olahraga nu pang populerna. Dina olahraga lari urang di perlukeun kakuatan jeung kecepatan. lari mangrupakeun cabang tina athletics. Atlétik sorangan dihartikeun salaku kagiatan jasmani atawa jasmani anu diwangun ku gerak dasar anu dinamis jeung harmonis, nya éta leupang, lumpat, luncat jeung maledog. Atlétik disebut indung tina sagala olahraga sabab ngandung rupa-rupa unsur gerak sapopoé. Lari aya sababaraha jinis na gumantung ku jarak anu di tepuhna, aya lari jarak pendek atawa sprint dina jarak 100, 200 sareng 400 méter. Lari jarak pondok mangrupikeun nomer anu paling bergengsi dina kategori olahraga lari. Lari jarak menengah anu nyertakeun 800 sareng 1500 méter aya deui Lari jarak jauh lamun dina olimpiade lari jarak jauh mangrupa acara olahraga pangbadagna di dunya, jumlah lari jarak jauh anu dilombakeun nyaéta 5000 méter, 10000 méter sareng 3000 méter.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9413", "text": "Diet anu sehat mangrupikeun salah sahiji hal anu tiasa laksanakeun pikeun ngajaga kasehatan. Salah sahijina ku loba dahar sayuran. Salad tiasa janten menu pilihan pikeun ngamimitian diet sehat. Tapi, salad anu nikmat henteu ngan ukur karasa tina sayuran nu seger, tapi oge tina bahan lainna anu dianggo, salah sahijina nyaeta pilihan jinis minyak anu dianggo dina salad. Masak salad sareng minyak zaitun langkung nikmat tibatan ngan ukur nganggo minyak biasa. Alesan kahiji, minyak zaitun boga rasa anu leuwih kaya tur leuwih sengit ti minyak biasa. Hal ieu ngajadikeun salad dijieun kalawan minyak zaitun pinuh ku rasa. Sajaba ti eta, minyak zaitun oge ngabogaan loba mangpaat kasehatan, kayaning ngandung lemak monounsaturated anu bisa nurunkeun kadar kolesterol sarta nyegah panyakit jantung. Kadua, minyak zaitun oge ngabogaan titik lebur leuwih luhur batan minyak biasa. Ieu ngandung harti yen salad disiapkeun kalawan minyak zaitun bakal gampang diolah merata, hasilna leuwih nikmat. Katilu, minyak zaitun oge miboga sipat antioksidan anu leuwih hade batan minyak biasa. Janten, ku ngagunakeun minyak zaitun nalika masak salad, anjeun bakal nampi rasa anu langkung sengit tur kauntungan kasehatan anu langkung sae.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6488", "text": "Tah cicing di perumahan teh kudu siap kana sagala resikona, salah sahijina nyaeta kahirupan masing-masing, moal aya babaturan tatangga anu sok ririungan atawa sok babarengan. Hal ieu disababkeun mayoritas penghuni perumahan teh mangrupakeun pgawe anu sibuk di tempat gawena, jadi euweuh waktu jang sosialisasi jeung tatanggana nu aya di sakitaran imah. Mantak nu hirup di perumahan mah bakal moal apal kondisi jeung situasi sakitarna teh, paling ngan saliwat hungkul sabab sok oba teuing waktu di luar. Hal ieu teh bisa ngadampak negatif ka para masyarakatna sabab salian leungitna sosialisasi jeung nilai gotong royong, minimna interaksi ge sok micu hal-hal anu teu dipikahayang, misalna saling sangka atawa saling tuduh jeung tatangga mun aya permasalahan di imah teh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8033", "text": "Aya sababaraha alesan naha loba barudak ngora resep ngajalankeun sabudeureun tur kalibet dina kagiatan fisik. Barudak biasana gaduh seueur energi anu kedah dileupaskeun. Latihan sapertos ngajalankeun ngabantosan aranjeunna ngaleupaskeun energi ieu sareng janten langkung tenang. Manusa gaduh naluri alami pikeun gerak sareng aktip sacara fisik. Barudak anu henteu kapangaruhan ku gaya hirup moderen anu kirang aktif condong langkung mobilitas sareng lumpat. Barudak sering hoyong ngajajah dunyana ku cara anu aktip sareng ngalaksanakeun kagiatan fisik sapertos lumpat ngamungkinkeun aranjeunna ngalakukeun ieu. Ngajalankeun sabudeureun nyadiakeun stimulasi indrawi beda, kayaning rarasaan angin dina beungeut maranehanana sarta sora langkah suku handapeun aranjeunna, nu bisa jadi pangalaman senang keur budak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3054", "text": "Tanggal 15 Maret 2020, tepatna, Présidén Jokowi ngajak masarakat pikeun digawé ti bumi. Hal ieu dilakukeun pikeun ngaminimalkeun sumebarna Covid-19 di Indonésia. Saprak harita, sabagéan ageung urang Indonésia anu tos damel henteu deui damel ti kantor (work from office) tapi ti bumi. Sapertos transformasi anu sanés, modeu kerja anu robih ogé nawiskeun pangalaman anu énggal pikeun sadayana. Pangalaman anu énggal ieu teras nyiptakeun gap pikeun dua modus padamelan pikeun dibandingkeun ku anu kapangaruhan, nyaéta pagawé. Metik pro jeung kontra dina sababaraha aspék (conto: fleksibilitas, komunikasi, produktivitas), patarosan salajengna janten: \"Sanggeus pandemi ieu réngsé, mode gawé mana nu bakal jadi pilihan pagawe di Indonésia? 100% Gawé ti Kantor, 100% Gawé ti Imah, atawa Hibrida? Pikeun ngajawab pananya ieu, ti 10 Nopémber nepi ka 2 Désémber 2021, urang ngayakeun panalungtikan ngeunaan preferensi skéma gawé sanggeus pandémik Covid-19 di Indonésia. Pamustunganana, ieu artikel dijieun pikeun ngabahas temuan utama atawa temuan konci tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "105", "text": "Tempat wisata nu aya di Lembang Bandung salah sahijina Tangkuban Parahu. Hiji waktu urang mawa dulur ti Turki ka tempat ieu. Rada reuwas sabab harga tiket jang orang asing mahal pisan. Lantaran orang asing kudu mayar kira-kira sapuluh kali lipat tibatan wisatawan lokal. Kanggo manajemenna mugia kahareupna henteu deui ngalakukeun diskriminasi harga tiket. Tuluy pas asup ka jero kurang nyaman oge ku pedagang nu sok ngingintil wae nawarkeun dagangeunna. Maranehna bakal eureun ngingintil saberes urang nolak tawaran maranehna ku cara sopan tapi teges. Pokona ulah mere harepan ka maranehna siga ngomong henteu tapi tutuluyan ningali barang dagangan maranehna. Lain ngaulahkeun dagang, tapi jadi nyieun suasana teu leluasa jang menikmati pemandanganna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5357", "text": "Khotbah nyaeta pidato kaagamaan nu hakekatna jang nyeruan jamaah atawa ummat muslim supaya leuwih ningkatkeun kaimanan jeng kataqwaan ka Gusti Allah SWT. Khotbah dina Islam nyaeta dilaksanakeun di waktu tertentu, nyaeta dina rangkaian sholat jumah jeung sholat Ied. Khotbah sholat ied wajib dilaksanakeun ku khotib laki-laki. Khatib oge kedah suci tina hadas besar oe hadas kecil. Teras, pakean nu diangge ku khotib kudu nutupan aurat. Dina nyampaikeun khotbahna, khotib kedah tatih pami masih keneh mampu. Khotbah sholat ied teh sakurang-kurangna kedah didangu ku opat puluh jamaan supados sah. Waktu pelaksanaan hotbah sholat ied teh nyaeta saatos dilaksanakeun sholat ied sabanyak dua rokaat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8148", "text": "Bu Ratna ayeuna tara katempo meuli gas LPG di warung. Seueur tatangga nu naroskeun kunaon Bu Ratna tara meuli gas. Bu Ratna tetela ayeuna tos ngagunakeun kompor listrik. Kompor listrik teh teu peryogi nu ngarana gas LPG. Kompor listrik mah nganggo listrik salaku sumber panas benten sareng kompor konvensional nu nganggo sene salaku sumber panasna. Alesan utama Bu Ratna ngalih ti kompor konvensional ka kompor listrik teh kusabab leuwih aman. Seueur warta nu ngawartoskeun kajadian gas meledak. Usaha pikeun ngaminmalisir kajadian eta teh nyaeta Bu Ratna ngalih ka kompor listrik. Bu Ratna nyarios upami masak make kompor listrik teh leuwih gampil sareng karasa leuwih modern.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5462", "text": "Salah sahiji peninggalan kabudayaan jaman baheula nyaeta senjata tradisional. Kaayaan senjata tradisional lain wae saukur peninggalan estetika, tapi oge saksi bisu sejarah dina ngusir jeung ngamusnahkeun para penjajah atawa musuh. Senjata pusaka nu pada masana dipake jang perang teh dugi ka ayeuna aya keneh nu tersimpan rapih di museum. Unggal malam satu suro ge sering dimandian ngangge upacara jeung ritual adatna. Hal ieu nunjukkeun yen kabudayaan Indonesia teh kaya pisan, malahan masih terjaga nepi ka jaman kiwari. Ku kituna, salaku masyarakat Indonesia urang wajib miara ieu kalestarian senjata pusaka. Ulah nepi ka joledar komo teu apal mah. Yuk urang babarengan minimal pupusti ieu peninggalan pusaka!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3924", "text": "Alpuket nyaéta buah anu tiasa digolongkeun kana buah atanapi sayuran. buah sabab boga siki atawa biji sedengkeun dianggap sayur sabab rasana hambar. tapi ku éta sabenerna ngajadikeun alpukat leuwih loba bisa di gunakeun. Lamun di jadikeun buah alpuket olah jadi minuman nu seger, enak jeung sehat rasa na enak amis alpuket bisa diolah jadi buah, bisa di jus, dijieun alpuket kocok, dijadikeun topping és buah, jeung sajabana. Bisa oge di jadkeun masakan nu rasa na asin saperti di dahar jeung sushi atawa roti jeung sajabana. ti eta alpukat oge loba mangfaat jeung vitamin anu pohara alus pikeun awak saperti Ngabantosan Ngajaga Beurat, Nyegah kabebeng Ngabantosan Ngadalikeun Tekanan Darah, Ngabantosan Ngajaga Kaséhatan Panon, jeung Mantuan ngajaga kaséhatan jantung. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4269", "text": "Basa Liburan tengah samester kamari urang jeung kulawarga mudik balik ka lembur bapak di jawa timur, jarak na ti dieu ka lemburna lamu naek mobil bisa 10 nepi 12 jam. urang mangkat burit rek magrib kaditu terus nepi ka jawa timur madiun persisna isuk na deui. Di jawa timur loba pisan dahareun khas nu rasana enak enak pisan diantara na aya nasi pecel, rujak cingur jeung rawon. Diantara eta uang leuwih resep kana rawon. Rawon nyaeta sop daging warna hideung, warna hideung na di benangkeun tina pucung. Rasa na nu gurih komo di tambahan endog asin, toge sambel jeung jeruk nipis makin enak. Rawon di jawa timur babari pisan di panggihan, aya di warung warung leutik nepi ka restorant mewah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5875", "text": "Kamari abdi meser kulkas freezer kangge di warung. Biasana abdi sok nyimpen barang dibekukeun dina freezer kulkas biasa anu ukuranna leutik. Tah sabab teu mahi, jadi we abdi meser kulkas freezer nu eusina bakal beku sadaya, jadi bisa nyimpen barang dagangan seueur. Abdi teh sok nyimpenan minuman dibungkusan atawa nyieun es krim tina gorio-rio. Malahan mah kadang sok nyieunan es kul-kul tina bungbuahan. Alhamdulillah barang jualanna laku terus, jadi aya peningkatan dina pembeli. Mantakna abdi meser deui freezer supaya mahi loba barang dagangan jeung bisa nyimpen daging ongkoh jang stok masakan di imah. Abdi ge jadi sering nyieunan es batu jang dijualan di imah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2700", "text": " Pikeun maranéhanana anu milih olahraga ekstrim, aranjeunna dina minoritas. Kusabab kahirupan pinuh ku rutinitas sareng monoton, janten aya bule anu resep olahraga ekstrim sabab hoyong kéngingkeun sensasi kejutan anu langkung kuat anu tiasa dicandak tina hormon adrenalin.. Kanyahokeun yén budak téh loba tanaga, contona resep lumpat, luncat, ngarobah kagiatan di imah, ngaganggu kolot atawa dulur-dulurna jsb. Ayeuna, pikeun nyalurkeun énergi anu kaleuleuwihi ieu kana hal anu positip, kolot Perancis boga cara, nya éta ku cara ngadaftarkeun budakna ti SD nepi ka klub olahraga. Tinimbang nyieun kajahatan di imah, éta hadé ngagunakeun tanaga maranéhanana pikeun nourish diri jeung diajar disiplin. Aya seueur pilihan klub olahraga di Perancis, ti olahraga anu warisan tradisional (berkuda, anggar atanapi maén bal) dugi ka olahraga énggal anu asalna ti nagara sanés (kravmaga-Israel, kendo-Jepang, capoeira-Brazil, jsb). Latihan olahraga ieu dituluykeun kana rumaja sareng sababaraha janten atlit anu luar biasa. Adhering kana cara Perancis hirup, abdi ogé nempatkeun kids di klub olahraga, cikal di sinkronisasi ngojay jeung bungsu di judo na Anggar.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "834", "text": "Ulah milih raket nu jadi andalalan atlet favorit. Sarua jeung pamaen bola nu mibogaan sapatu bolana sorangan, atlet bulu tangkis ge mibogaan koleksi raket badmintonna sorangan. Kasalahan nu paling umum nu dilakukeun loba pamaen bulu tangkis amatir teh nyaeta nurutan milih raket idolana. Padahal, pamaen badminton profesional teu sambarangan ngagunakeun raket. Spek raket nu dipiboga maranehna mah geus diluyukeun jeung kabutuhan oge kabiasaan teknikna. Salian ti eta, atlet profesional oge geus ngaliwatan program latihan khusus jang ngabiasakeun oge ngalatih maranehna ku ngagunakeun raket nu leuwih beurat. Sabab sambarangan make raket nu beurat teu ngan ukur ngahambat, tapi bisa nyebabkeun cedera leungeun atawa taktak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "96", "text": "Di City Food Station anu aya di jalan Cikutra Bandung, didieu bisa nyobaan seafood hargana 25 rebu sajelemana kanggo tilu jelema. Tempatna nyaman pisan jang nongkrong. Tempatna di daerah Cikutra deukeut jeung Widyatama. Tempatna Instagrambale pisan, cocok jang nongkrong jeung babaturan atawa kulawarga. Aya lesehanna oge, tuluy aya mushola na oge. Eusi seafood tumpahna nyaeta aya kerang hejo, kerang dara, udang, cumi, jeung jagong. Bisa oge nambah kepiting, kuahna kentel rasana gurih lada. Bisa oge nambah kangkung. Didieu oge aya sayap tumpah 23 rebu sa jelemana jang tilu jelema. Porsina gede-gede. Didaharna teh empuk pisan, tuluy cumi bakarna kenyal-kenyal gurih.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2831", "text": "Kabetot mésér mobil listrik awal taun ieu? Leres, sigana ieu mangrupikeun waktos anu pas pikeun anjeun ngarobih tina nganggo mobil béngsin janten mobil listrik. Momen Taun Anyar mangrupa lengkah munggaran pikeun anjeun nyieun parobahan lingkungan, nyaéta meuli mobil listrik pikeun ngurangan émisi karbon. Tangtosna, pikeun anjeun anu hoyong kendaraan anu ramah lingkungan sareng ekonomis, mobil listrik mangrupikeun jawaban. 1. Mertimbangkeun Mileage Batré. Ku meuli mobil listrik, anjeun kudu siap pikeun konsékuansi anyar nu béda ti béngsin atawa mobil solar. Salah sahijina nyaéta ngagunakeun sumber energi batré anu tangtu béda jeung mobil konvensional. Sumber kakuatan mobil listrik nyaéta batré, anu bakal mangaruhan pisan jarak tempuh kendaraan. 2. Mastikeun Kasadiaan SPKLU Kasadiaan SPKLU di lokasi nu pangdeukeutna ka lokasi Anjeun pohara penting pikeun dicatet. SPKLU mangrupikeun Stasion Ngecas Kendaraan Listrik Umum dimana anjeun tiasa ngeusi batre mobil listrik di dieu. Tapi teu kedah hariwang sabab ayeuna pamaréntah sareng swasta parantos ngawangun sareng nyayogikeun SPKLU di seueur titik, sahingga langkung gampang pikeun masarakat umum pikeun ngeusi mobil listrik.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2778", "text": "Ngeringkeun nganggo mesin cuci front loading saleresna kudu tetep di angin sakedap rada garing langsung sabenernamah (asal mesin cuci kapasitasna 80% janten henteu leres-leres pinuh). Beda jeung mesin cuci indung kuring. . Aduh, kacida rumit dina pamanggih kuring. . Teu terang meureun aya mesin cuci 2 tabung anu langkung canggih atanapi henteu, tapi indung kuring jinisna biasa meureun. Jadi cai kudu make selang diarahkeun kana pipah keur cuci, tuluy kudu tiis jeung sagalana tuluy ditutup, terus lamun hayang nepi ka garing, anjeun kudu mindahkeun kana tabung sejen, nu sok lamun teu bener, sabenerna ngajadikeun jiwa anjeun emosi. Ku perjuangan eta, baju teu bisa garing kawas mesin cuci hareup loading kuring, meureun lamun kuring boga eta bisa garing 90%, indung kuring geus 75% garing. Upami mesin cuci mah tiasa disaluyukeun, hoyong sabaraha derajat suhu cai, ti 30, 60, 90 derajat.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1908", "text": "Paper Cup atanapi cangkir kertas mangrupikeun bungkusan inuman dina bentuk gelas anu didamel tina kertas kelas dahareun anu dilaminasi. Cangkir kertas mimiti populer pisan ku jalma-jalma bisnis kuliner anu khususna ngajual produk inuman kusabab kepraktisanna sareng ngagampangkeun nyiapkeun bungkusan pikeun dijual produk inuman anu siap jang bawa kaimah. Kusabab didamel tina kertas anu ramah lingkungan, produk ieu mimiti digembar-gemborkeun ku para ahli lingkungan anu sadar pisan kana bahaya peringatan pamasan dunia, pikeun resep ngagunakeun produk ieu tibatan cangkir plastik. Kertas munggaran kapanggih dina abad ka-2 SM (SM). Samentara éta kaca kapanggih dina mangsa kakaisaran Cina nu kacatet salaku karajinan. Dimana gelas anu katelah \"chih pei\" anu dianggo salaku tempat ngalayanan tea. jaman éta ge, cangkir kertas ogé dipikawanoh. Aya rupa-rupa ukuran, warna sareng desain cangkir kertas anu éndah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7998", "text": "Kadaharan ayeuna tos mangrupi-rupi nurutan tren sareng jaman. Salah sahiji tren nu kadaharan nu keur rame nyaeta kadaharan nu make nitrogen cair. Nitrogen cair nu digunakeun dina kadaharan tiasa ngabekukeun kusabab tiisna nu kacida. Upami didahar tiasa nimbulkeun haseup dina waos nu dianggep ku loba jalma keren katempona. Sanaos nitrogen cair teh teu berbahaya, nanging kadaharan nu ngagunakeun nitrogen cair teh tiasa nyebabkeun bahaya kana awak. FDA organisasi nu ngawas kadaharan di Amerika Serikat tos nyebutkeun upami nitrogen cair teh tiasa nyebabkeun seseuk napas khususna ka pengidap asma. Salian eta bahaya lainna nyaeta tiasa nyebabkeun iritasi dina waos tur karuksakan organ. Janten eta, hayu urang waspada ka tren-tren nu keur rame di masarakat, ulah nika nyilakakeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9367", "text": "Tani di bumi, aya sababaraha sayuran anu gampang tumbuh sareng gancang panén. Anu kahiji nyaéta kentang, lokasi anu pas pikeun kentang tumuwuh nyaéta anu ngagaduhan sinar panonpoé sahenteuna 8 jam sadinten. Ciri pepelakan kentang anu siap dipanén nyaéta pepelakan mimiti layu sareng paéh. Idealna dina 3 nepi ka 4 bulan. Sanggeus panén, ulah langsung ngumbah kentangna. Kantun ngabersihan umbi tina taneuh sareng nempatkeun kana karung. Nu kadua bayam, bayam teu lila tumuwuh, ngan kira-kira 4-5 minggu bisa langsung dipanén. Carana nyaéta nyebarkeun siki bayam dina taneuh sareng disiram sacara teratur. Dina 30 dinten, urang tiasa langsung panén daun kangkung seger langsung ti kebon bumi urang. Anu katilu nyaéta salada, salada mangrupikeun pepelakan anu panggampangna pikeun tumuwuh. Sabalikna pepelakan kentang, apu resep kana taneuh beueus. Bibit apu teu resep kana media bibit panas, dina prosés tumuwuh, cai apu taliti sabab daunna rapuh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7096", "text": "Upacara Ngaben nyaeta salah sahiji upacara ngaduruk jenazah di Bali anu dipercaya ku masarakat Hindu Bali minangka ritual pikeun nyempurnakeun jasad deui ka Nu Nyipta. Upacara Ngaben dibagi jadi tilu rupa, nyaeta: Ngaben sawa Wedana, Ngaben Asti Wedana, jeung wasta. Upacara Ngaben Sawa Wedana dilaksanakeun sanggeus jenazah diawetkeun samemeh upacara ngaduruk dilaksanakeun. Sedengkeun Ngaben Asti Wedana dilaksanakeun sanggeus jenazah dikurebkeun heula. Diayakeun oge upacara tutup pikeun urang Bali anu maot di luar atawa anu awakna teu kapanggih. Ku lantaran lobana duit anu kedah dikaluarkeun pikeun upacara Ngaben, henteu sakabeh urang Bali tiasa ngalaksanakeun upacara ieu pikeun kulawarga anu geus maot. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "159", "text": "Pas perjalanan ka Situ Patenggang, urang mangkat ti Pangalengan ngaliwatan walungan anu panjang pisan, tapi di sisina teh aya jalan leutik nu bisa diliwatan ku motor. Di jalan urang ngiuhan heula, da aya warung. Tuluy ningalian jembatanna anu warna-warni. Ceuk urang jembatan ieu menarik, jadi nyobaan difoto didinya ku babaturan. Teu lila difoto aya sarombongan ibu-ibu anu datang balik ti kondangan teuing pangajian, da marake baju muslim jeung ngajinjing dahareun nu eusina mie. Geuningan ieu teh ibu-ibu warga lokal didieu, meureunan aneh naha diparoto di Jembatan eta, atuh si ibuna oge tertarik hayang difoto didinya. Da meureunan ningali warga luar di foto didinya. Urang kapaksa ngelehan untungna geus aya sababaraha foto.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9320", "text": "Nyimpen dana darurat henteu hartosna ngan ukur nunda artos dina tabungan. Anjeun tiasa ngalokasikeun sababaraha dina bentuk deposit emas atawa investasi. Anjeun ogé tiasa milih produk kauangan sanés anu gaduh ciri anu sami, nyaéta likuiditas anu luhur, aksés gampang sareng kaamananna terjamin, sapertos reksa dana saimbang, reksa dana pasar uang sareng sekuritas. Upami anjeun peryogi dana darurat, anjeun tiasa narik dana tina tabungan, teras ka deposit, sareng tungtungna ngajual logam mulia atanapi emas. Metoda ieu bisa mantuan Anjeun ngadalikeun diri sangkan teu jadi cocoba méakkeun duit. Salaku tambahan, dana darurat anjeun bakal tumbuh langkung gancang kusabab kauntungan tina produk kauangan anu anjeun pilih.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4996", "text": "Salah sahiji buah nu loba kandungan vitamin E na nyaeta gedang. Gedang biasa na dipelak di pakarangan imah. Wana gedang nyaeta hejo mun atah keneh, terus oren mun tos asak. Tangkal gedang loba geutahan pisan, geutah na lengket jeung mantak hideung kana baju. Mun di beulah, gedang jerona loba pisan sikian wana hideung. Daging na mah warna oren mulus, ngan antara daging jeung sikina aya selaput nu rarambayan leutik paranti napel sikina. Mun hoyong nuang gedang kedah dipesek heula kulitna, tong ipis teuing bisi pait, tapi oge tong jero teuing bisi seepeun. Tah mun bagean siki na mah teu bisa dituang, kudu dipiceun atawa dipelakeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8099", "text": "Realme salaku produsen hp ngaluarkeun produk anyar, ngaran produkna nyaeta Realme 10 Pro+. Hp ieu teh kaasup hp kelas menengah sareng pangaosna nu aya dikisaran lima jutaan. Sanajan hp 5 jutaan kualitasna teu heureuy, desainna mewah pisan sareng ipis janten hampang sareng merenah upami ditenden di kantong. Spekna lumayan hade, panelna OLED sareng refresh rate 120 Hz. Kaca nu dianggo diaku tiasa nahan benturan kusabab tos diuji berebu-rebu kali tes di pabrikna. Kamera 108 mega pixel janten upami foto-foto hasil atanapi kualitas gambarna alus. Ditambih kapasitas batre nu lumayan seueur nyaeta 5000 mAh. Hp kelas menengah nanging rasa kelas luhur. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "849", "text": "Renang ge jadi salah sahiji eskul olahraga nu aya di sakola. Komo deui renang teh jadi salah sahiji olahraga nu dianjurkeun ku Rosululloh salian ti manah jeung berkuda. Olahraga renang bisa dilakukeun ku sagala usia, matakan di sakolaan oge aya. Ku renang, bisa nyieun awak siswa bergerak. Mangpaat ieu nu paling signifikan pas keur renang. Renang mantuan nguatkeun otot jeung ngabangun kakuatan sarta daya tahan tubuh. Renang teh lain saukur ancrub kana cai, tapi leuwih ti eta mun diteuleuman mah renang teh loba mangpaatna. Jadi mun keur eskul renang kudu serius jang mengikutina. Komo deui dina olahraga renang teh loba pisan gerakan-gerakan nu kudu dipraktekeun langsung dina kolam renang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4593", "text": "Kahirupan manusa teu bisa leupas tina objék nu disebut téhnologi. Hal ieu sabab manusa butuh téknologi pikeun ngagampangkeun pagawéan sapopoé, ti pagawéan rumah tangga nepi ka pagawéan kantor. Ayeuna parantos nyiptakeun téknologi anu ngagampangkeun manusa ngolah data sareng nyimpenna. Téknologi ieu disebut komputer anu boga peran dina ngolah data.Komputer ahirna dimekarkeun nepi ka kapanggihna komputer portabel atawa laptop. Laptop teknologi anu leuwih praktis anu bisa mantuan sakabeh pagawean komo di jaman anu digitalisasi siga ayeuna laptop nyekel peranan penting salaku alat anu di guakeun keur di gawe atawa sakolah anu di butuhkeun masarakat. Fungsi ponsel handphone yeuna sabnerna geus mirip jeung laptop tapi kusabab ukuranna leutik jadi laptop masih lewuhdi butuhkeun supaya di gawe na leuwih jelas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4963", "text": "Yuk ah baraya, urang ngadamel inuman sehat jeung pedo pisan rasana. Nya, inuman na nyaeta susu jahe merah. Ayeuna mah teu kudu riweuh-riweuh ninyuh jeung ngagodogan bahan na nyalira, kan aya kemasan instan na. Aya tina sidomuncul, indofood, jeung sajabana. Komo usum hujan kieu mah salian ti haneut eta inuman, bisa oge ngajaga kakebalan awak arurang supaya teu gampang udur di usum kieu. Komo mun usum pancaroba mah kudu pisan parhatian kana awak sorangan. Tah, ngajaga awak teh lain hungkul ku olahraga, tapi bisa oge tina nginum inuman nu ngandung gizi jeung khasiat jang kasehatan. Ku kituna, yuk ah ti ayeuna mah biasakeun nginum susu jahe merah, supaya bisa jaga-jaga jeung nangkal sagala rupa panyakit.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2418", "text": "Pecalang nyaéta \"Pulisi Adat\" di Bali, jadi fungsina pikeun ngalaksanakeun aturan-aturan anu patali jeung adat, anu luyu jeung sistem masarakat Bali anu norma-norma tradisional masih kuat. Pecalang aya dina naungan Banjar, wewengkon administratif di tingkat Rukun Warga (RW).\r\nPecalang aya dina naungan Banjar, wewengkon administratif di tingkat Rukun Warga (RW).\r\nPecalang berada di bawah naungan Banjar, wilayah administratif setingkat Rukun Warga (RW).\r\nPecalang aya dina naungan Banjar, wilayah administrasi di tingkat Rukun Warga (RW).\r\nPecalang berada di bawah naungan Banjar, wilayah administratif setingkat Rukun Warga (RW).\r\n Tapi, béda jeung RW di wewengkon séjén di Indonésia, Banjar miboga pangaruh anu pohara kuat, sabab ogé boga fungsi minangka puseur kagiatan tradisional. Pecalang umumna paling atra lamun aya acara kaagamaan, contona (jeung utamana) nalika ibadah Nyepi lumangsung. Pecalang ieu bakal ditugaskeun pikeun ngingetkeun warga supados henteu obah, kalebet tindakan nalika aya anu ngalanggar.\r\nDina kaayaan husus, para Pecalang ogé biasana dipénta bantuan ku penegak hukum pikeun mantuan ngajaga kaamanan sarta nyingkahan kamungkinan karusuhan, contona lamun aya rencana pikeun demonstrasi anu berpotensi anarkis. Anu unik ogé, di sababaraha daérah di Kota Dénpasar, nalika acara Kaagamaan Islam biasana katingali Pecalang anu tujuanana ngabantosan ngamankeun palaksanaan ibadah. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4208", "text": "Aya mangfaat sejen yen urang mere ngadengekeun jeung ngajarkeun budak leutik lagu daerah, meureun keur umur na leutik keneh budak teh can ngarti kana karagaman budaya, tapi ngaliwatan lagu-lagu rahayat jeung musik tradisional urang bisa langsung ngawanohkeun karagaman budaya nagara kalawan leuwih gampang. Salian ti ngawanohkeun lagu-lagu rahayat oge mere materi lagu-lagu rahayat ka budak leutik bisa mere pesen atawa putuduh anu positif ngeunaan kahirupan kusabab eus eusi lagu lagu rahayat teh aralus pisan. Pikeun kolot atawa guru penting pisan pikeun mikanyaho harti unggal-unggal tembang lagu rahayat sangkan kasenian tradisional ieu oge bisa panjang kusaba kan uranng teu hidup salilana, urang perlu nurunkeun warisan budaya ieu ka barudak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3956", "text": "Taman Sri Baduga atawa nu ku warga purwakarta nelahna Situ buleud salah sahiji ciri jeung kabangaan di purwakarta. Letak na taman sri baduga teh di tenagh atawa pusat kota jadi taman sri baduga teh tara pernah sepi. Air mancur teh ngan hiji dina loba jeung gede na bagean taman sri baduga. Biasana unggal poe aya wae nu kadinya keur sakadar nongkrong, aya nu latihan dance, aya nu jalan jalan, foto foto sajanbana. Di saputareun taman sri baduga loba pisan warung atawa pedagang nu gerbakan didinya jadi mun ulin ka dinya moal sieun kalaparan atawa kahausan. Unggal poe mun isuk oge biasana loba nu jogging atawa lari muteran situ bulud atawa taman sri baduga ieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8679", "text": "Aya sababaraha alesan naha urang kudu nyiapkeun bencana alam. Nyiapkeun pikeun bencana alam bakal ningkatkeun kasalametan urang sareng kulawarga urang. Urang bakal tiasa terang lengkah-lengkah anu kedah dilakukeun nalika aya bencana, sapertos ngahindarkeun daerah anu rawan bencana atanapi gancang kabur. Lamun urang nyaho kumaha carana nungkulan bencana alam, urang bisa ngaleutikan karuksakan harta jeung lingkungan. Eta oge tiasa ngabantosan dina proses pamulihan saatos bencana. Musibah alam tiasa nyababkeun setres sareng kahariwang anu ageung, khususna upami urang henteu siap pikeun eta. Ku nyiapkeun diri sateuacanna, urang bakal langkung tenang sareng langkung siap pikeun kaayaan darurat, ku kituna ngirangan dampak emosional anu tiasa lumangsung. Nyiapkeun pikeun bencana alam tiasa ngabantosan urang diajar tina pangalaman sareng nyiapkeun bencana anu bakal datang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1625", "text": "Angkutan umum jadi salah sahiji pilihan, komo deui pas urang masih sakola SMP. Lantaran sakolaan urang teh jauh ti imah, jadi daek teu daek kudu naek angkot. Naek angkot ieu salian ti murah oge lumayan gancang nepina, komo mun pinuh mah. Lamun keur pinuh pisan, urang biasana sok nangkel dina panto paranti penumpang asup jeung kaluar. Indit isuk keneh, nungguan di sisi jalan. Lantaran euweuh tempat khusus jang nungguanna, jadi mun naek angkot mah cenderung bebas bisa di mana wae, bahkan di hareupeun imah oge bisa asal kaliwatan ku angkot. Mun urang mah biasana sok leumpang heula ka parapatan, ku sabab imah urang teu kaliwatan ku angkotna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7461", "text": "Mesin cuci anu populer jeung seeur dipake ku lolobana jalmi di jaman ayeuna umumna aya dua rupa nyaeta mesin cuci hiji tabung jeung mesin cuci dua tabung. Mesin cuci hiji tabung dijieun kanggo nyeseuh, ngelabkeun nepikeun ngagaringkeun acuk dina hiji tabung anu sarua. Lantaran ngan gaduh hiji tabung, mesin cuci jenis ieu teu kedah ditingal teterusan, tinggal asupkeun baju kana mesin teras kucurkeun cai sacekapna sareng sabun teras ditinggalkeun, ngke hasilna baju bakal garing sorangan. Biasana di mesin cuci hiji tabung gaduh bukaan di luhur jeung di hareup. Tapi, lantaran leuwih efisien, pangaos mesin cuci hiji tabung pastina leuwih awis tibatan mesin cuci dua tabung. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4115", "text": "Riya asalna tina basa Arab ra'a-yara-ruyan-wa ru'yatan anu hartina ningali. Istilah riya nyaéta némbongkeun diri ka batur sangkan ayana, boh ucapan, tulisan, sikep, boh kalakuan, bisa dipikanyaho ku batur. Sedengkeun sacara gurat badagna, harti riya téh nyaéta pamer-pameran. Ku alatan éta, riya digolongkeun kana hiji kalakuan anu bisa ngabalukarkeun panyakit jantung.Dina basa, harti riya mangrupa istilah asalna tina kecap Arriyaa'u anu hartina pamer atawa pamer. Riya ogé bisa dihartikeun minangka laku lampah némbongkeun hiji hal, boh barang atawa amal kahadéan kalawan maksud hayang ditingali ku batur atawa meunang pujian ti batur. Dina agama Islam, lampah pamer diri téh dibenci ku Alloh Swt, sabab lampah anu dilakukeun henteu ngan ukur dumasar kana niat ka Alloh SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5763", "text": "Dari pada waktu mulang sakola teh dipake jang ulin, mending dipake ku hal nu leuwih bermangpaat, misalna miluan ekskul olahraga. Biasana ekskul olahraga teh latihanna sok dilaksanakeun sore sabalikna ti sakola. Kagiatanna oge beragam, kadang latihan di sakola, kadang latihan di luar sakola, jeung deuih kadang oge sok latihan jeung sakola sejen dina raraga ngeuratkeun silaturahmi. Jadi, dari pada ngan sakola hungkul, mending diparengan ku ngembangkeun skill olahraga, misalna ngiluan ekskul voli, futsal, bela diri, jeung sajabana. Salian urang bakal meunang pangalaman, urang ge bakal meunang kamampuan jeung relasi nu leuwih loba. Jadi, yuk maksimalkeun potensi diri ku ngiluan ekskul nu aya di sakola!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "503", "text": "Upacara adat oge aya di Kabupaten Kuningan nu ngaranna Babarit. Upacara Adat Babarit dilakukeun jang ngungkapkeun rasa sukur masarakat ka Allah SWT. Upacara ieu biasana dilaksanakeun pas bulan Suro ku masarakan Desa Sagarahiang. Upacara Adat Babarit dilaksanakeun di kabeh masarakat Desa Sagarahiang, boh nu tempat cicing di desa Sagaraahiang atawa oge di daerah nu deukeut jeung Desa Sagarahiang. Upacara Adat Babarit dimimitian ku doa babarengan tuluy dteraskeun ku meuncit domba. Hal ieu diyakinan masarakat nu sabudureun bisa nolak bala. Ngan domba nu dipeuncit teh kudu jenis domba kendit nu sacara kasat mata euweuh bedana jeung domba sejenna. Ngan domba kendit ieu mibogaan warna hideung jeung garis bodas nu muter dibagian beuteungna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5851", "text": "Opat gelombang radio nu masih eksis dugi ka ayeuna. Nu kahiji nyaeta Gen FM. Radio Gen FM aya dina frekuensi 98.7 jeung mimiti kamunculanna taun 2007 di Surabaya. Radio Gen FM jadi salah sahiji siaran non dangdut nu berhasil nyetak pendengar paling banyak. Nu kadua nyaeta Bahana FM. Saluran ieu teh sering muter lagu pop Indonesia jeung lagu-lagu Barat. Nu katilu nyaeta Prambors FM. Radio saluran ieu mangrupakeun radio ti jaman duli nu masih eksis nepi ka ayeuna sabab diisi oge ku penyiar terkenal jiga Desta jeung Nycta Gina. Nu kaopat nyaeta Hardrock FM. Saluran radio ieu teh nyajikeun musik-musik ti berbagai genre nu biasa dinikmati ku budak ngora.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8138", "text": "Robot pembersih ubin Mi 2 Lite teh, robot vacuum nu hade pisan. Tiasa ngadeteksi tata letak imah nganggo sistem navigasi anyar sareng lensa ultra lebar. Aya total 25 sensor dina ieu robot nu tingkat kapresisianna luhur pisan. Kalibrasina rutin janten lemangna lurus sareng leuwih akurat. Tiasa mengkol otomatis tur ngarespon gancang upami bade murag. Diameter penyedotna ageung tur aya sikat nu hade. Daya sedotna tiasa nikakeun 2200 Pa. Jalur pembersihanna zig-zag janten kabhe bagian ubin tiasa ka jangkau. Wadah debuna ngagaduhan volume 450 mL nu kaitungna ageun pisan. Sanajan volumena ageung ieu robot teh masih keneh tiasa asup kakolong-kolong parabotan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5374", "text": "Unggal beres ngalaksanakeun sholat fardhu, Nita rutin maca Al-Qur'an. Komo beres sholat subuh mah wajib pisan bagi Nita jang maca surah Al-Waqiah. Hal ieu biasa dilakukeun Nita ti saprak anjeunna leutik keneh. Tujuanna supaya di kahirupanna senantiasa dipaparinan kasalametan, kalancaran, jeung ridho Allah dina sagala aspek kahirupan. Mun unggal jumaah ge rutin maca surah Al-Kahfi supaya dijauhkeun tina siksa naraka. Nita ngarasa hutang lamun beres sholat teu ngaji heula, sabab tos jadi kabiasaan hade. Alhamdulillah ku kabiasaan na eta, dugi ka ayeuna Nita kenging wae kalancara dina sagala hal, ti pendidikan dugi ka rezekina. Naon nu di pikahoyong Nita teu burung kacapai.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3905", "text": "Poe jumaah kamari, indung urang ngajak ka pasar Cipeundeuy Subang meuli parabotan keur masak nyaeta katel, sabab katel di imah geus teu mahi jeung ges rada bocor. Jeung deui urang sakalian kudu meuli katel badag pikeun masak gede sabab aya acara kulawarga nu diayakeun ku sakabeh kulawarga jadi butuh pisan katel gede ameh masak na sakalian. Ahad hareup teh rek di ayakeun arisan kulawarga, kabeh kulawarga kumpul ka imah urang nu jarauh oge ngabelaan datang pikeun silaturahmi, bakal loba jelema nu datang ka imah artina kudu masak dahareun nu loba matakna butuh katel gede. Urang butuh meuli katel gede paranti masak goreng hayam 20 porsi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5440", "text": "Tilu lagu daerah Sunda nu populer pisan di kalangan masyarakat. Nu kahiji nyaeta lagu Tokecang. Lagu ieu mangrupakeun lagu daerah Sunda nu diciptakeun ku R.C. Hardjosubroto. Lagu ieu nyaritakeun ngeunaan tokek nu ngadahar kacang, makna na nyaeta ulah sarakah, egois, jeung mentingkeun diri sorangan. Nu kadua nyaeta lagu Bubuy Bulan. Lagu ieu biasana ditembangkeun ku indung mun mepende budakna. Di sakola oge ieu lagu wajib pisan diapalkeun. Nu katilu nyaeta lagu Peuyeum Bandung. Lagu ieu nyaritakeun kadaharan khas Kota Bandung nyaeta peuyeum sampeu. Biasana lagu ieu dikenal sabab eusina ngeunaan dahareun, jadi mantak inget wae kana lagu ieu mun ningali peuyeum teh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3598", "text": "Stress kusabab cinta atawa kabingungan, cara kuring nungkulan stress ieu ku ngalakukeun hal gélo jeung babaturan deukeut kuring. Sakali, kuring jeung babaturan deukeut ngalakukeun hal-hal anu anti mainstream sangkan kuring bisa mopohokeun sakedapan kaributan nu keur kuring nyanghareupan. Misalna kuring duaan jeung babaturan deukeutna begadang di sisi jalan nyeuseup kopi nepi ka isuk-isuk, tuluy sanggeus subuh we terus indit ka pantai, poe senen mah pantai teh sepi pisan.\r\nKasimpulanana, vérsi kuring ngeunaan hal-hal sederhana pikeun ngaleungitkeun setrés nyaéta ku manjakan diri, tuang coklat saloba kuring tiasa di tempat anu sepi sapertos gunung bari ningali YouTube atanapi maén game. Sakitu wae, cik", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8886", "text": "Poe ieu maksudna mah kuring teh rek ngabersihkeun kulkas nu geus sataun teu diberesihkeun. Nalika kuring ngaluarkeun sagala eusi dina kulkas, kuring ngambeu bau anu goréng, siga hayang utah ngambeuna oge, tétéla éta asalna tina tuangeun anu geus lila jeung parantos basi. Warnana ogé tos robih, sigana mah tos sabaraha bulan disimpen dina eta kulkas, kulantaran kitu mah sadaya tuangeun anu basi ku kuring dipiceunan. Kuring ogé nyabut és nu geus numpuk minuhan freezer ku cara dihancurkeun tur ngalungkeun kana kamar mandi. Kuring mersihan rak kulasna nepikeun bersih, sarta ngusap jero ku lap baseuh. Sanggeus éta kuring nempatkeun bahan kadaharan anu masih alus kana kulkas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4262", "text": "Pamarentah atawa nagara oge butuh ayana masukan masukan atawa saran tina tokoh tokoh adat lamun erek ngajieun hiji kabijakan atawa lamun erek ngawangun di daerahna, boh ngawangun sistem atawa ngawangun kabutuhan misalkeun lamun erek ngawangun bangunan atawa nu laina. Hal eta di perlukeun ameh wangunan anu di jieun bener bener boga mangfaat keur masarakat didinya jeung bisa majukeun daerahna. Tokoh adat teh di percaya bisa ngawakilan kahayang atawa aspirasi masarakatna. Diskusi ieu di perlukeun ameh warga masarakat bisa ngarasa milu jeung aya andil dina daerahna supaya bisa ngajaga jeung ngarasa ngabogaan eta wangunan ku saba wangunan eta di jieun sasuai jeung kabutuhan jeung pastina ngandung simbol atawa karakteristik daerahna. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1942", "text": "Para calon pendaki anu bade naek Gunung Ciremai mangga nyiapkeun sacara saksama mulai ti jadwal pendakian, tim sareng alat-alat pribadi anu kedah di bawa, KTP, biaya pendakian, sareng akomodasi. Pendaptaran online ieu paling lambat H-1 sateuacan jadwal pendakian anu direncanakeun, hartosna henteu aya istilah dadakan atanapi dadakan langsung ka basecamp dina dinten D saatos calon pendaki ngadaptar online kalayan jumlah minimal 4 (opat) urang. Pendaptaran tiasa dilakukeun online. Calon pendaki ngeusian data pribadi, nangtukeun jadwal pendakian, milih tempat transit jeung nomer plot, mayar PNBP nurutkeun naon anu didaptarkeun dina website, mastikeun mayar tur meunangkeun kode booking. Sanggeus narima kode booking, calon pendaki datang ka basecamp di lawang ka jalan satapak hiking pikeun ngadaptar. Sateuacan ngadaptar, calon pendaki ngalaksanakeun pamariksaan kaséhatan anu parantos disayogikeun di basecamp, pendaptaran ulang ogé mayar jasa kepanduan sareng asuransi, wancen kaamanan, repacking sareng boarding.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "13", "text": "Mie Bakso Mandiri anu aya di Kiaracondong, ngaran aslina mah teu apal naon ngan dingaranan MIe Bakso Mandiri teh lantaran posisina dihareupeun Bank Mandiri. Bangunanna teu permanen, da ngan dituruban ku terpal. Biasana buka ti jam 10 beurang nepi jam 8 peuting. Jadi unggal poe bulak-balik ngadorong gerobak lamun rek dagang atawa rek balik. Tara ditendeun di tempat. Kusabab lahan teu permanen, jadi handapna ngan saukur dituruban ku awi nu geus disusun jang nuruban kolomberan. Biasana dipake jang nendeun korsi dua, jeung meja hiji jang tempat dahar pelanggan nu dahar didinya. Lamun keur aya pelanggan nu daharna leuwih ti duaan, biasana sok dipindahkeun ka tempat parkiran Bank Mandiri.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4724", "text": "Upama dipenta milih, pasti loba pisan jelema anu hayang digawe di tempat nu nyaman jeung AC. Salah sahijina d gawe di kantor. Pakean sareng sapatu rapih unggal isuk mangrupikeun gaya tandatangan pagawean kantor. Sarupa jeung pagawean sejenna, pagawean kantor ieu oge pasti aya tingkat kastresan nana, utamana lamun di gawe di kantor teh merlukeun kakuatan otak. Nanging, eta masih dipikacinta ku seueur jalma kusabab sababaraha alesan milih padamelan kantor anu aranjeunna percanten. Pikeun panghasilan, eta saleresna sami sareng padamelan sanés. Anu ngabedakeun nyaeta tempat, sistem jalanna, sareng oge ayana. Asa leuwih tiis digawe di kantor tibatan digawé di tempat séjén. Malah aya nu gawe di kantor nu gajihna leuwih handap tibatan gawe di widang sejenna. Tapi tetep dipikacinta.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4523", "text": "Pertandingan catur salah sahiji pertandingan anu reseup di tingali, mereun aya sababaraha jelema anu teu sadar yen catur teh ka asup kana olah raga. Catur kaasup kana olah raga kusabab aspék kaparigelan anu merlukeun stratégi pikeun meunang kaulinan dina bersaing jeung lawan ku cara bersaing individu hiji-hiji. Dina olahraga catur pamaén kudu adil ku cara teu ngaganggu konsentrasi lawan nu keur mikir. Antara dua pamaén kudu silih hambalan, nyaeta, pamaén kalawan potongan atawa potongan bodas mana kahiji, lajeng pamaén kalawan potongan atawa potongan hideung. Potongan-potongan anu parantos dicekel kedah dijalankeun, kecuali potongan-potongan éta teu mungkin dijalankeun.Léngkah dinyatakeun lengkep nalika leungeunna ngaleupaskeun buah anu dicekel. Potongan anu dicekel sareng keuna kana potongan lawan kedah ditumbuk, kecuali potongan éta teu mungkin ditumbuk. Aya dua cara dina rokade catur atawa gerakan husus anu ngalibatkeun raja jeung benteng dina warna anu sarua, gerakan rokade aya anu panjang sarta pondok. Raja kudu dicekel heula asalkeun raja teu kaancam ku popotongan lawan. Castling atawa disebut ogé castling dina basa Inggris, nyaéta gerakan husus dina catur di mana raja mindahkeun dua kotak ka arah rook di baris kahiji, lajeng nempatkeun rook dina alun panungtungan raja geus kaliwat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "841", "text": "Salian ti eskul futsal nu jumlah anggotana sok ngadominasi lantaran ku lobana, oge aya eskul basket. Sanajan teu populer siga eskul futsal, tapi eskul basket oge loba nu mikaresep, bedana eskul basket mah teu ngan lalaki hungkul anggotana, tapi awewe ge sok aya. Naha eskul basket leuwih ti saeutik tibatan eskul futsal? Sabab eskul basket mah diwajibkeun nu awakna jangkung, ari di sakolaan pan teu kabeh jangkung. Beda jeung futsal mah rek jangkung atawa pendek ge bisa maen. Eskul basket ieu latihanna di lapangan sakola, tara di lapangan luar. Lantaran anggotana nu saeutik, jadi dibagi 2 tim ge geus cukup.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2337", "text": "Upacara sérén tau mangrupa wujud rasa sukur jeung do’a ka masarakat Sunda kana kasedihan anu geus kaalaman, hususna dina widang tatanén dina taun katukang jeung taun anu bakal datang. Seren tau dilaksanakeun saban tanggal 22 Bulan Rayaagung minangka bulan pamungkas dina itungan kalender Sunda. Salian ti ritual sakral, ogé diayakeun kasenian jeung hiburan. Hartina, kagiatan ieu mangrupa hubungan antara manusa jeung Allah, sarta ogé jeung mahluk atawa alam séjénna boh ngaliwatan kagiatan seni, atikan, jeung sosial budaya. Inti ti acara Seren Taun dina wangun ngebul dina tanggal 22 Rayagung ogé miboga harti sorangan. Angka 22 dihartikeun runtuyan nomer 20 jeung 2. Béas anu ditumbuk dina puncak acara nya éta 22 kuintal kalayan 20 kuintal dibagi pikeun ditumbuk jeung disebarkeun deui ka masarakat sarta 2 kuintal dijadikeun bibit. Angka 20 ngagambarkeun unsur anatomis awak manusa.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4478", "text": "Awak anu séhat mangrupikeun cerminan tina gaya hirup anu séhat. Loba hal anu bisa dilakukeun pikeun meunangkeun awak anu séhat, salah sahijina nyaéta olah raga. Dina waktu luang, loba jalma ngabeakeun waktu na ka pusat kabugaran. Tapi aya olahraga ringan anu babari di lakukeun nyaeta jogging. Jogging bisa di lakukeun dimana wae, ringan jeung teu kudu meuli atawa make alat treadmill ameh tiasa jogging. Tapi lamun misalkeun urang teu boga loba waktu keur jogging kukurilingan urang bisa make alat anu ngarana treadmill urang ngan perlu cicing di imah. Ieu cukup pikeun ngamangpaatkeun pakarangan hareupeun imah, atawa tempat rada leuwih lega pikeun bisa ngalakukeun jenis ieu latihan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6536", "text": "Masyarakat nu cicing di pedesaan mah, komo mun di pelosok anu jauh kaditu kadieu mah masih keneh berlaku sistem barter. Sistem barter teh nyaeta sistem nukeur barang make barang deui nu sabanding hargana. Misalna mun rek meuli beas, dibarter make hasil pertanian nu sejen, tapi kudu sanilai jeung sapadan hargana. Kitu oge dina takaran nana, biasana mah barter teh dilakukeun kanu sarua butuh barangna. Sabab duit hese diteangan jeung penghasilan anu terbatas, jadi lolobana masih keneh ngandelkeun sistem barter mun rek meuli barang pangabutuh teh. Sistem barter oge bisa dilakukeun ku nukeur hewan ternak. Sistem ieu teh dugi ka ayeuna ge masih berlaku di sababaraha wilayah pedesaan anu teu kajamah ku teknologi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4003", "text": "Ngagunakeun transportasi umum utama na kareta bisa ngabantu pisan kana ngurangan kamacetan komo di kota-kota gede, salian ti eta naek kareta harga na jauh leuwih murah tapi nyaeta mun jam sibuk isuk jam asup kantor kareta pasti pinuh dedesekan oge sarua lamun baliknna ngke. Tapi lamun di stasiun gede biasa na geus di siapkeun loba kareta keur ngatasi eta. Tapi sapinuh pinuh na kareta dedesekan siga kumaha masih mending ti badan naek mobil pribadi nu lamun macet teu nyaho nepi ka iraha ari kareta mah tepat waktu. Make harga nu leuwih murah, tepat waktu jeung aman eta nu ngajadikeun loba jelema leuwih milih naek kareta. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1885", "text": "Dasarna, kripik cau ti Kota Lampung teu jauh béda jeung kripik cau umumna. Dina hal wangunna oge sarua, namung bagi pribados aya anu ngabédakeunana nyaéta kualitas cau sareng rasana. cau anu dipaké pikeun nyieun kiripik ieu kualitasna pangluhurna. Sangkan ngahasilkeun rasa keripik cau anu nikmat jeung gurih. Henteu ngan dijieun tina jenis cau kualitas unggul, tapi chip cau ti kota ieu ogé sadia dina rupa-rupa rasa anu nikmat dina létah. Lamun rasa umumna ngan aya dina rasa amis jeung asin, kiripik cau ti Lampung ieu miboga rupa-rupa rasa, mimitian ti rasa asli, asin, amis, coklat, durian, nanas, mocacino, lada, barbecue, kéju, melon, jeung sajabana. .", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "132", "text": "Pas mimiti ulin ka Jakarta, urang jeung Joe mondok di Millennium Hotel Sirih Jakarta. Milih didieu sabab posisina ngeunaheun deukeut ka puseur kota. Ti Statsiun Gambir mesen Gocar langsung nepi lobi hotelna. Lobi na teh lega pisan, jeung deuih aya nu maen piano, ngameh nu nungguan check in teu bosen. Asup ka hotelna oge teu eleh legana, aya 2 kasur ukuran King, TV, kaca nu gede, kulkas, bathtub, jeung korsi. Pemandanganna langit biru jeung gedung-gedung Jakarta, tuluy mun sore bisa sabari ningali sunset. Isukna dahar di restoranna, loba gambar-gambar mesjid kitu sabab suasana na rek bulan puasa. Rasa dahareunna biasa wae, jeung rupa-rupa dahareunna teu loba pilihan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4505", "text": " Samsak tinju nyaeta salah sahiji laat ani bisa di pake latihan dina olahraga tinju téh mindeng dieusianku gandum, keusik, rags, atawa bahan séjén, sarta biasana ditunda siling atawa napel na stand. Desain kantong ngamungkinkeun pikeun nyiksa fisik terus-terusan sareng terus-terusan tanpa pegat. Ogé, éta kedah nyerep dampak tina niup tanpa ngarugikeun pangguna. Samsak sorangan geus dipaké dina seni béladiri jeung swordplay pikeun sakabéh sajarah ditulis latihan militér. Dina beladiri sareng olahraga tarung, sapertos Karate, Sanda, Taekwondo sareng Muay Thai, kantong sareng alat-alat anu sami parantos diadaptasi pikeun latihan najong sareng manuver nyerang sanésna ogé pikeun ngembangkeun téknik punching. Kantong éta janten alat olahraga anu tiasa ningkatkeun tingkat kabugaran sareng kaséhatan anjeun. Nalika anjeun kotak ngalawan punch atanapi jalma nyata, anjeun ngalatih otot anjeun sareng ningkatkeun kakuatan awak luhur sareng kakuatan ngawangun tulang. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4738", "text": "Aya loba ide bisnis atawa jualan anu bisa di pigawe ti imah, salah ahiji anu pangoba na nyaeta dagang dahareu. Dahareun teh kabutuhan pokok manusa, jelema hiup pasti butuh dahar. Urang bisa nyokot paluang ieu ngeur neangan panghasilan, urang bisa muka warung sangu di imah atawa narima catering tong waka anu pantai gede, anu leutik weh heula misalkeun narima catering dahareun ka barudak anu ngekost. Barudak ngekost teh kan biasa na budak ngora keneh biasana barudak ieu teh geus capek boh anu sakola keneh, kuliah atawa geus di gawe maranehna geus kadung hoream lamun kudud masak lamun rek dahar jadi leuwih milih meuli keur dahar. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7639", "text": "Teu ereun di usaha tempat ngumbah motor hungkul, rerencangan abdi oge nyarios yen manehna bakal ngadamel usaha cai galon. Usaha cai galon eta dibuka dicaket tempat ngumbah motor manehna. Pas abdi datang ka ditu abdi teu nyangka yen manehna nepikeun tiasa meser mobil anyar ti panghasilan usaha manehna. Tempat galon eta oge laku pisan lantaran dekeut jeung kantor jeung dipeuntaseunna aya kos-kosan. Pangaosna oge mirah, lamun urang nyandak cai sorangan pangaosna ngan tilu rebu, lamun dianteur ngan opat rebu, matak teu heran seeur anu meser ka dinya. Da anu ngarana cai mah laum aya nu dekeut pasti meser nu dekeut. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6700", "text": "Urang Sunda tos biasa ngadahar sayur-sayuran atah kanggo menu dahareun sapopoe anu disebut lalab. Biasana lalab ngan dicocol sambel oge tos cekap. Lalab eusina rupa-rupa, aya bonteng, terong, kacang panjang, leunca, aya oge dangdaunan nyaeta surawung. Surawung gaduh bau anu seungit pisan, rada mirip-mirip jeung daun mint. Rasana rada lada tapi gaduh seeur khasiat kanggo kasehatan. Surawung oge tiasa dimangpaatkeun kanggo ngagebahkeun reungit lantaran ngandung asam nitrat sareng flavoid. Carana, kahiji urang siapkeun heula daun surawung jeung batangna, pastikeun heula surawung tos garing, teu aya cai na teras dibakar di tempat anu sakirana loba reungit. Haseup bakaran surawung bakal ngahasilkeun aroma anu tiasa ngaganggu pernapasan reungit.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2402", "text": "Kecapi ogé dipercaya asalna ti wewengkon Kuningan di Jawa Barat. Instrumén senar ieu biasana dipaké pikeun marengan musik kalawan galur lemes jeung pikabitaeun. Alat musik kacapi ieu nujul kana tutuwuhan sentul anu kai anu bahan pikeun nyieun alat senar ieu. Di Sunda, alat musik kacapi ieu mangrupa alat musik utama dina tembang Sunda atawa Mamaos Cianjuran jeung kacapi suling. Kiwari kacapi lain ngan ukur marengan lagu-lagu tradisional, tapi ogé lagu-lagu kontemporer. Kecapi mangrupa alat musik nu dipetik. Ieu kumaha carana maén:\r\nInstrumén kacapi dimaénkeun ku cara nyokot.\r\nHandapeun dipencet pikeun ngahasilkeun sora anyar atawa sakabeh kawat disada sakaligus (ti luhur ka handap atawa sabalikna) maké Klapper a.\r\nSenar kecapi dipetikan ku karét.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "584", "text": "Ayeuna mah peran juru kunci dikalangan masarakat teh emang teu bisa digeser soalna loba peran penting nu dibawa ku juru kunci. Nu perlu diluruskeun mah nyaeta prakter atawa cara ngadoana jeung tata cara ngagelar upacara. Soalna naon wae nu ngajurus kana kasirikan kudu ditinggalkeun. Bae ngagelar upacara bareng juru kunci tapi eta ngan sebatas upacara kabudayaan jeung ulah dicampur jeung kayakinan-kayakinan nu salian ti Allah. Ieu tugas urang salerea ayeuna. Mun zaman wali songo mah geus diteundeun dasar-dasar kaislaman, ayeuna tinggal ngamekarkeun jeung nyampurnakeun hungkul. Tangtuna butuh waktu nu panjang, tapi sairing waktu nu berjalan, hal ieu bisa wae dilakukeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "570", "text": "Salah sahiji tarian tradisional di Indonesia nyaeta Tari Jaipong. Tarian ieu mangrupakeun jenis tarian nu asalna ti Jawa Barat. Mimitina, tarian jaipong ieu mekar di daerah Bandung jeung Karawang. Tarian Jaipong nyaeta tarian gabungan ti sababaraha kasenian tradisional, misalna pencak silat, ketok tilu, jeung wayang golek. Tidinya tarian ieu kasohor salaku tarian nu mibogaan gerakan-gerakan nu unik, energik, jeung sederhana. Teu ngan energik hungkul, tarian jaipong oge dipaenkeun ku suasana nu bodor jeung gumbir. Ku sabab eta, tarian ieu bisa ngahibur penonton nu ninggalina. Malahan teu jarang ti nu lalajo seuri ngagakgak pas ninggali pintonan tarian jaipong ieu. Maranehna nu seseurian teh sabab ngarasa kabawa ku suasana pas lalajona.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9457", "text": "Ayeuna, di daerah Kiara Payung, Jatinangor aya tempat wisata anu keur viral di media sosial. Tempat wisatana nyaeta Jatinangor National Park. Jatinangor National Park nyaeta tempat wisata anu ngagabungkeun konsep taman bunga jeung playground anu ramah anak. Nu jadi pang na loba tempat wisata ieu jadi viral nyaeta kaendahan taman jeung bangunanna nu unik. Jatinangor National Park boga hiji bangunan anu bentukna siga bangunan Kremlin di Rusia. Salian eta, aya oge fasilitas nu sejenna saperti kolam renang anak, korsel, istana balon, rainbow slide, jeung sababaraha tempat selfie anu Tiktokable. Harga tiketna kajangkau pisan. Ti Senen nepika Jumaah, harga tiketna dibandrol tilu puluh rebu rupiah. Lamun Weekend, jadi opat puluh rebu rupiah. Nganjang ka Jatinangor Park oge moal hariwang ku lapar, sabab aya pujasera anu loba pilihan jajananna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5046", "text": "Villa Pinus Jatiroke jadi salah sahiji villa langganan mahasiswa Jatinangor mun aya kagiatan kampus. Villa ieu lokasina di desa Jatiroke, Jatinangor. Villa ieu aya di sisi pasawahan jeung kebon hui. Kamar didieu aya dua, pahareup-hareup. Ruang tamu na hiji, jeung dapurna hiji nu nyanghareup langsung ka teras tukang. Kamar mandina aya dua, hiji wc duduk, hiji wc jongkok. Teras tukang na luas, biasa dipake ruang ngumpul. Sisi teras aya kolam lauk nu teu pati gede. Dihareupeun villa aya lahan jang parkir motor, bisa oge dipake santai atawa maen games. Villa ieu aya di sisi jalan pisan, jeing deuih paling ngan lima menitan ti jalan raya. Mun mahasiswa aya kegiatan jiga bonding, framing, jeung sajabana sok didarieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4026", "text": "Poe senen kamari tanggal beureum, urang unggal libur biasana sok hudang beurang. Tapi jam genep indung ngahudangkeun ceunah pangmandikeun tarigu jeung endog rek nyieun kueh. Urang buru buru mandi terus mangkat ka tukang sayur tapi lain nu gerobak ieu mah tukang sayur anu di toko. Naha meui di tukang sayur nu di toko sakalian balanja na sangkan lengkep jeung teu bolak balik. Indung urang teh nitah meuli tariigu, endog, mantega, gula jeung pasta pandan sigana indung urang rek ngajieun bolu kukus rasa pandan anu hejo tea. Nepi di imah indung urang kacirin ges keur mulai ngocok adonan guka jeung endogna. Urang buru langsung ngabantuan nyieun adonan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9053", "text": "Gagasan pikeun ngajual tuangeun ti bumi anu parantos kuring lakukeun nyaéta ngadamel jajanan anu séhat sareng gampang didamel, nyaeta nyieun perkedel tahu sosis. Cara nyieunna oge gampang pisan, bahan anu dipikabutuh nyaeta tahu, endog, sosis, tipung, sayuran sapertos wortel jeung daun bawang, kitu deui penyedap rasa. Kahiji, urang tumbuk tahu make leungeun nepi ka halus. Sanggeus éta, wortel jeung bawang daun oge potong ipis-ipis. Salajengna, tambahkeun tahu nu geus ditumbuk, wortel, daun bawang, endog jeung tipung. Sambil diaduk rata, sambil ditambahan penyedap rasa supaya rasana jadi lebih gurih. Saanggeus kacampur rata, bentuk kana kapang buleud leutik tur nyimpen dina kulkas salila dua jam. Saatos padet, urang tiasa langsung ngagoreng dina minyak panas. Di sagigireun gampang nyieunna, jajanan ieu ogé sehat sarta kadaharan anu ngawaregkeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7477", "text": "Tesla gaduh teknologi unik dina nyiptakeun mobil listrik. Kusabab batre anu dipake nyaeta rebuan sel batre litium-ion silinder leutik sarupa jeung batre anu dipake dina alat elektronik kayaning laptop. Batre ieu gaduh beurat anu cukup hampang sareng biaya produksina rendah. Basa Tesla mimiti nyieun mobil listrik, konsep gambar mobil Tesla mimiti diwanohkeun ka publik dina bulan Juli 2006. Mobil Tesla kahiji ieu dingaranan Tesla Roadster, nu meunang sambutan positif. Ti mimiti keneh 100 unit Tesla Roadster parantos kaical ngan ukur 3 minggu ti saprak dikenalkeun. Teras dina sasih Oktober 2007, Tesla nyatet yen pesenan Roadster parantos ngahontal 200 unit. Saterusna dina bulan Mei 2008 pesenan ngaronjat jadi 600 unit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "992", "text": "Hoverboard mangrupakeun skateboard listrik. Alat ieu oge biasa disebut ku istilah skuter swaseimbang atawa self-balancing scooter lantaran bentukna nyarupaan skuter tapi teu make cecepengan. Hoverboard nyaeta alat transportasi listrik anu mangrupa papan nu mibogaan dua roda jeung dikendarai ku cara nyaimbangkeun urang jeung ngandelkeun batre. Kendaraan ieu ngamungkinkeun penggunana jang gerak tapi teu kudu ngaboseh atawa ngadorong ngagunakeun suku maranehna. Hoverboard nu ayeuna bener-bener bisa ngapung sanajan teu luhur teuing. Hoverboard nu ngapung ieu ngandelkeun kumparan elektromagnetik jang bisa ngapung di udara. Teu lila saenggeus eta, aya hoverboard nu ngaranna Slide anu dirancang khusus jang ngapung di luhur taman skate ngaliwatan rojongan medan magnet.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4645", "text": "Jaman ayeuna jaman anu serba praktis jeung gancang , seringna manusa teu boga waktu keur beberes di imah ayana robot sapu jeung ngepel bisa mantuan urang ngepel jeung sasapu lantai. Pagawean ieu biasana sok elat d pigawe padahal babari jadi solusi na bisa make robot supaya gampangmtur leuwih efisien pikeun ngabersihan imah. Kalayan robot pel, anjeun teu kedah hariwang ngeunaan nyéépkeun waktos sareng usaha pikeun ngajaga lantai beresih. Robot sapu jeung pel na bisa ngabersihan area imah nepi ka sudut tungtung nu pang leutikna anu biasana teu beunang make sapu atawa pel biasa na. Jadi di jamin pisan lamun urang bebersih ngagunakeun robot pasti hasilna leuwih bersih. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3553", "text": "Manajemén kauangan mangrupa salah sahiji masalah anu disanghareupan ku mayoritas penduduk Indonésia. Ieu katémbong dina hasil survéy Organisation for Economic Co-operation and Development (OECD) 2020 anu nunjukkeun yén 46 persén réspondén di Indonésia nyatakeun yén dana daruratna ngan ukur tiasa salamet saminggu. Nilik kana éta masalah, PT Bank Jago ngaluncurkeun program pendidikan Fintamin. Program ieu mangrupikeun runtuyan 'gizi' anu bakal ngabantosan ngajaga kaséhatan pribadi sareng kulawarga sareng ketahanan kauangan. Kapala Produk jeung Pemasaran Bank Jago Andy Djiwandono nandeskeun, Bank Jago narékahan pikeun mikanyaho kabutuhan masarakat, kaasup tangtangan finansial anu mindeng kaalaman dina kahirupan sapopoé. \"Kalayan Fintamin, kami yakin program ieu bakal ngagampangkeun jalma pikeun ningkatkeun kaséhatan kauanganna. Pikeun ngajaga daya tahan, konsumsi Fintamin kedah dilakukeun sacara rutin sareng disiplin,\" saurna dina konperénsi pers.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6640", "text": "Tahu biasana ngan saukur digoreng hungkul atanapi ditariguan teras digoreng. Tapi urang tiasa ngadamel dahareun anyar ti tahu nyaeta ngadamel citos tahu, disebut citos lantaran ngke bentukna siga ciki. Cara ngadamelna tinggal siapkeun tahu teras dibejek-bejek nepikeun hancur teras ditambihan aci sakedik sareng cai sakedik,tong hilap tambihan oge uyah. Lamun rasana tos ngeunah adonan tiasa dibentuk panjang-panjang siga ciki teras digoreng nepika garing. Cara supados adonan tiasa dibentu panjang nyaeta bisa nganggo palastik anu tungtungna diteukteuk sakedik teras dikucrutkeun ka minyak panas supados bentukna panjang-panjang. Tong hilap dibulak-balik nepikeun garing. Lamun tos asak tahu citos ieu rasana mirip ciki, garing di luar tapi kenyal di jero na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6812", "text": "Video game nyaeta kaulinan elektronik anu dimaenkeun make kontroller atawa joystick. Videogame tiasa disetel dina konsol, komputer, handphone, tablet jeung lanu sanesna. Kaulinan pidio game ieu tos kaasup rupa-rupa genre sapertos petualangan, olahraga, simulasi, kaulinan strategi sareng anu sanesna. Kaulinan videogame oge tos kaasup sababaraha jenis konten sapertos teks, grafik, sora sareng pidio. Video game tiasa dimaenkeun nyalira atanapi babarengan sareng rerencangan jeung kulawarga. Video kaulinan oge tiasa janten cara anu pikaresepeun pikeun nyeepkeun waktos. Aya jenis video game anu kasohor, nyaeta PS5, Nintendo Switch, jeung sajabana. Pas pandemi seeur jalmi anu meser video game kanggo ngusir bosen lantaran cicing wae di imah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8135", "text": "Saacan tiasa dianggo jam digital teh kudu diatur heula. Cara ngatur jam digital mimiti alihkeun heula jam ka mode waktos. Cekap pencet tombol 'mode' tilu kali supados tiasa ngagentos ka mode waktos. Pencet tombol 'set' kanggo mulia ngatur waktosna. Ubah pangaturan jam ti mulai menit, jam, AM/PM, tanggal, tur dinten. Dina tahapan ieu biasana jam bakal pareum hurung, teras urang tiasa nambihan angka pikeun nyasuiakeun waktos nu leres. Saatos waktosna tos leres, pencet tombol 'set' pikeun nyalsekeun pangaturan tur balik ka mode normal. Ahir, pencet tombol 'mode' pikeun ngonci waktos nu tos diatur. Salse, jam digital ayeuna tiasa langsung dianggo.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "860", "text": "Olahraga ekstrem nyaeta sebutan keur jenis olahraga nu dirasa nantang atawa bisa ngabahayakeun. Salah sahijina nyaeta arung jeram. Arung jeram emang dipikawanoh salaku olahraga ekstrem cai nu loba dipikaresep ku orang dewasa. Kagiatan arung jeram nu sabenerna mah nyaeta nyalusur arus walungan make parahu karet. Ngan ku sabab bahaya, jarang aya budak leutik nu miluan. Olahraga ieu biasana ngagunakeun alat siga pelampung ban, jeung aya oge nu ngagunakeun parahu karet. Dina arung jeram, biasana aya 5 nepikeun ka 7 urang jeung geus kaasup pemanduna. Di Jawa Barat loba tempat jang arung jeram, aya di Pangandaran, Pangalengan, Sukabumi, Garut, jeung nu sejenna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2783", "text": "Ku alatan pamakéan mesin cuci ront loading hareup kacida dianjurkeun sabab nyadiakeun hasil nu optimal. Mesin cuci muka hareup ieu diklaim gaduh kinerja téknis anu maksimal. Tapi, kira-kira 70 persén rumah tangga Indonésia milih mesin cuci dua tabung atanapi disebat jenis top load. Sanajan harga mesin cuci muatan hareup jauh leuwih mahal batan mesin cuci top loading r. Tapi, harga ieu saluyu sareng fitur anu ditawarkeun ku mesin cuci muka hareup, sapertos efisiensi sareng umur jasa anu langkung panjang. Sanaos hargana langkung mahal sareng konsumsi listrik langkung ageung. Tapi pikeun anjeun anu henteu hoyong pajeulit, mesin cuci ieu mangrupikeun pilihan anu pangsaéna. Ku kituna bisa dicindekkeun yen baju beresih atawa henteu gumantung kana jumlah detergent jeung busa dihasilkeun, tapi dina kualitas detergent jeung mesin cuci.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5391", "text": "Sholat sunah taubat salah sahiji ajaran nu penting pisan dilaksanakeun ku umat muslim. Sholat taubat hukumna sunah.Tata cara sholat taubat nyaeta mimiti maca niat sholat taubat. Tuluy takbirotul ihram, tuluy maca doa iftitah dilajengkeun su surat Al-Fatihah tuluy surat-surat pendek dina Al-Qur'an. Tuluy rukuk, sujud, duduk antara dua rukuk, sujud deui, tuluy tatih deui jang ngalaksanakeun rokaat kadua nu tuluy diakhiri salam. Beres ngalaksanakeun sholat sunah taubat dua rokaat, lantunkeun istigfar 100x sing khusuk, bari emut kana dosa-dosa urang. Beres istigfar 100x tuluy panjatkeun doa taubatan nasuha nu tos diajarkeun ku Rasulullah SAW. Sholat taubat teh bisa dilaksanakeun iraha wae.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7475", "text": "Saha wae anu resep masak komo lamun di kosan pasti hoyong ngangge alat masak anu teu raraiweuh. Biasana panci listrik janten pilihan lantaran dina hiji panci urang tos tiasa ngulub, ngagoreng, jeung nyeupan sakaligus. Panci ieu oge kaetang mirah lantaran teu ngalurakeun daya anu boros sapertos kompor listrik. Panci listrik oge tiasa dipake kanggo ngulub sabari nyeupan sakaligus. Alat masak ieu janten karesep barudak kosan lantaran panci ieu ukuranna teu pati badag jeung teu pati leutik, pas pisan lamun dipake kanggo saurangeun mah, ukuranna anu leutik ngajadikeun panci ieu gampang dibawa kamamana. Panci ieu oge tos dilengkepan ku tutup kaca anu aya bolongna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9326", "text": "Jaman kiwari mah, loba jalma anu boga piaraan, mimitian ti ucing, anjing, kelenci, manuk, jangjangan, aya oge réptil. Naon waé jinisna, éta sato kedah dijaga supados henteu kaluar tina daérah imah sareng malah asup ka daérah imah tatangga. Perlu dipikanyaho yén aya jalma anu sieun atanapi henteu resep ayana sato di lingkungan imahna. Lamun sato anjeun asup ka wewengkon imah jalma, éta bisa dianggap ngaganggu. Janten, jaga piaraan anjeun sabisa-bisa, ku dididik supados henteu lebet ka daérah tatangga, sareng diajarkeun supados henteu miceun kotoran dimana waé. Tong hilap oge ngurus piaraan urang, soalna tatangga tiasa kaganggu ku bau atanapi ambu piaraan urang.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "32", "text": "Isuk-isuk biasana sok sarapan sangu, tapi sakapeung mun teu nafsu kana sangu, sok ngahaja meuli kupat tahu. Tapi teu sambarang kupat tahu, urang resepna kupat tahu Padalarang. Bedana kupat tahu Padalarang jeung kupat tahu biasana nu aya di Jawa Barat nyaeta kuahna anu kentel. Lamun biasana kupat tahu make saos kacang taneuh, mun kupat tahu Padalarang mah make kuah beureum. Kuah beureum ieu campuranan tina santen, cai, jeung bumbu lemes nu asalna tina rupa-rupa rempah jeung cabe beureum. Tuluy anu ngabedakeun jeung kupat tahu nu sejen, nyaeta aya tambahan bihun na. Lamun kupat tahu sejen mah aya tambahan toge, beda deui jeung kupat tahu Padalarang anu make bihun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9380", "text": "Delman mangrupakeun angkutan umum tradisional, lamun di kota mah geus teu aya, tapi di lembur kuring mah aya keneh. Cara nek delman, urang kudu ngadatangan ka pangkalan delmanna, teras karek bisa jalan lamun panumpangna geus pinuh, jadi teu bisa berhenti di tengah jalan. Kade oge pas milih tempat diukna, ulah caket teuing jeung bujur kudana, soalna engke bakal beunang buntutna anu buntutna oge geus kakeunaan ku tai kudana, jadi mending milih nu rada jauh atawa caket tempat kaluar. Ari di lembur mah delman teh sok dipakena ka tempat anu caket-caket wae, paling kur sabudeureun desa hungkul. Kulantaran eta mayarna oge kur dua sampe lima rebu baheula mah. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4163", "text": "Upacara kaagamaan suci untuk manusia (Manusa Yadnya) nyaeta Upacara manusa geus ilahar dina agama Hindu. Umat dina agama hindu kudu lulus runtuyan upacara ti dina kandungan nepi ka maot. Ieu mangrupikeun kawajiban dasar anu kedah dilakukeun ku sadayana jalma. Aya sababaraha tahapan upacara anu kudu dilaksanakeun. Nyaéta saprak di jero kandungan, umur 12 poé, 3 bulan, 6 bulan, gedé, motong huntu, nepi ka kawin. Di sababaraha daérah, upacara ieu sering dilaksanakeun sakali atanapi sababaraha kali, gumantung kana adat sareng kapercayaan. Malah aya deui upacara-upacara tambahan dumasar kana budaya lokal. Sakabéh runtuyan ieu boga tujuan pikeun ngawétkeun kahirupan, atikan, sarta hususna keur purifikasi spiritual tina jiwa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6717", "text": "Masih keneh di suku Gunung Manglayang, aya tempat wisata alam anu tos seeur didatangan ku wargi Bandung, nyaeta Curug Cilengkrang. Lokasina aya di Cilengkrang, Jawa Barat. Curug ieu cocok pisan kanggo saha wae anu hoyong nyantai sabari ngojay. Aya lima curug di Curug cilengkrang anu tempatna dekeutan, kahiji namina Curug Batu Peti, kadua Curug Papak, katilu Curug Batu Panganten, kaopat Curug Kacapi jeung nu utamana Curug Cilengkrang.Tempat anu dikelola ku Perum Perhutani ieu jarakna teu jauh ti Kota Bandung, ngan sapuluh kilometer. Jalur ka Curug Cilengkrang lumayan nguras tanaga, upami bade ka tempat ieu tong hilap mawa cai anu cekap kanggo di perjalanan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3983", "text": "Transportasi wisata nupaling sering di tingali ayeuna Delman nyaéta alat transportasi anu bentukna siga gerbong anu roda dua ditarik ku kuda. Kuda mangrupa salah sahiji sato anu sok jadi babaturan jeung manusa pikeun ngamangpaatkeun kakuatanana. Sensasi naek delman bari ngadenge sora ketokan saptu kuda mun delman na maju tak tok tak tok jadi pangalaman sorangan. Biasana delman loba di panggihan dina pasar pasar atawa tempat iburan atawa tempat nu aya karamean saperti lamun di jakarta urang bisa manggihan loba delman di kota tua. Harga sakali kuriling sajauh babaraha ratus meter naek delman termasuk wajar kurang leuwih saratus rebuan harga sakitu termasuk murah. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4086", "text": "Jumaah nyaéta poé mulya dina Islam. Awal sholat Jum'at dasarna dituduhkeun nalika Nabi Muhammad keur di Mekah rek hijrah ka Madinah jeung sababaraha sahabat hijrah munggaran ka Madinah, Rasulullah ngutus Mus'ab bin 'Umair pikeun ngajarkeun Islam ka urang Madinah. Mush'ab ogé dipenta pikeun ngumpulkeun jalma dina poé Jumaah pikeun ngalaksanakeun solat dua rakaat. Ieu kumaha sababaraha ulama siirah nyimpulkeun yén jalma anu mimiti ngalaksanakeun solat Jumaah nyaéta Mus'ab bin 'Umai. Sholat Jum’at diwajibkeun pikeun satiap umat Islam anu mandiri, sehat, sareng cerdas. Kalayan dalil Al-Qur'an surat Jumu'ah ayat 3. Hadits séjénna anu nuduhkeun pentingna solat Jumaah diriwayatkeun ku Imam Tirmidzi jeung Ibnu Majah ti Aus bin Aus Ats-Tsaqafiy. Nyaéta pikeun jalma anu datang awal pikeun solat Jumaah dina kaayaan wajib mandi, tuluy ngadangukeun khutbah. Maka Allah ngaganjar saban léngkahna nuju ka masjid kalayan pahala sataun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2419", "text": "Lrangan jeung pamali ogé ditepikeun ku sesepuh adat di Désa Kanekes, Kabupatén Lebak, Banten, Jaro Saija. Nurutkeun manéhna, lahan adat Baduy ngabogaan legana 1.101,85 héktar anu kacatet dina Peraturan Daerah Nomor 32 Tahun 2001. Salian ti alam, urang luar anu nganjang ka Baduy Dalam ogé dipénta ulah nyokot gambar dina sagala rupa, kaasup poto. , kaasup video tina sagala rupa recorder. Anu ngadatangan dilarang ngalanggar aturan anu geus ditetepkeun ku masarakat adat sangkan henteu ngarugikeun loba pihak. Sawatara wewengkon padumukan anu bisa jadi teu diabadikan nyaéta Kampung Cibeo, Kampung Cikeusik jeung Kampung Cikawartana. Ceuk bapana Mursyid, upama ieu aturan téh geus dijieun jeung kudu diturut ku sakumna unsur masarakat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7415", "text": "Kaulinan Feeding Frenzy dikaluarkeun ku pausahaan games ti Amerika PopCap. Games ieu teu pernah gagal janten karesep barudak leutik jaman taun 2000-an. Kaulinan ieu janten paporit lantaran teu nyieun urang bosen. Dina kaulinan ieu urang kedah ngadahar lauk-lauk anu ukuranna leuwih leutik ti awak lauk anu nuju dimaenkeun ku urang. Beuki lila lauk anu dimaenkeun bakal ngagedean lantaran manehna seeur ngadahar lauk. Aya oge sababaraha bonus anu tiasa didahar ku lauk jeung aya oge musuh lauk anu kedah dihindarkeun. Salian ti ngadahar lauk sing loba, urang oge kedah ngahindar ti lauk-lauk badag sareng buas sapertos hiu jeung monster laut anu bakalan bulak-balik. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1165", "text": "Jualan tiung bisa jadi salah sahiji ide jualan di imah nu ngajangjikeun. Lantaran aya loba rupa-rupa tiung nu keur dipikaresep ku batur jeung bisa ku urang jadikeun salaku ide jeung peluang usaha nu bisa urang gawean di imah. Bisnis ieu bisa laris komo deui mun pas rek Idulfitri jeung bulan puasa. Rupa-rupa tiung nu bisa dijual di antarana, Pashmina, ieu bentukna pasagi panjang. Tiung ieu teu kudu make jarum jang ngaitkeunna. Bisa oge tiung instan, salah sahiji tiung nu siap dipake. Tinggal diayakeun warna-warna anu kekinian ngameh teu monoton jeung beda ti nu sejen. Siga warna beige, sage, jeung nu sejenna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6471", "text": "Geus ngajalin hubungan pernikahan mah sagala oge sok jadi maklum. Nu tadina canggung jeung isin, jadi hal nu biasa wae. Nu tadina aya gengsi jeung rasa sekat ge geus nikah mah dileungitkeun da geus biasa ngajalani kahirupan babarengan. Dina sagala hal ge dilakukun babarengan, atawa ku cara silih bantuan jeung ngartikeun. Dugi ka muka usaha babarengan teh kan butuh silih percaya jeung silih dukung. Mun suami keur damel, istri bantuan support, kitu oge sabalikna. Mun istri cape kana padamelan imah, suami kudu ngartikeun ku cara ngajak refreshing atawa apresiasi. Sabab hidup babarengan mah butuh saling dukung supaya bisa babarengan berkembang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4116", "text": "Ngagogoreng nyaeta dosa anu dibenci ku Alloh SWT sarta wajib dijauhan ku umat Islam. Sacara étimologis, ghibah asalna tina basa Arab (tina kecap ghaabaa yaghiibu ghaiban), anu hartina ghaib, henteu aya. Dumasar étimologi ieu, bisa dimangpaatkeun yén gosip téh mangrupa wujud 'henteuna jalma' dina hiji paguneman. Sedengkeun numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia, gosip nyaeta kagiatan ngadongengkeun kagorengan (aib) atawa gosip batur. Gosip nyaéta kalakuan anu nyarioskeun perkawis goréng atanapi aib jalma sanés. Sanaos anu diomongkeun saluyu sareng kanyataan, gosip tetep kalakuan anu teu adil.Dina Islam, goblog dilarang pisan sabab bisa ngabalukarkeun fitnah. Punten bilih aya nu ngagogoreng malah diibaratkeun ngadahar bangkai lanceukna sorangan. Goblog ogé mangrupa kalakuan anu deukeut pisan jeung kalakuan goréng séjénna saperti dengki, dengki, jeung fitnah. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7035", "text": "Sateuacan janten Nabi, Yusuf ngalaman sababaraha ujian anu beurat pisan, saatos manehna janten tiasa kempel deui sareng kulawargina, ujian kanggo Yusuf teu ereun di dinya. Salila manehna gawe di karajaan, aya hiji awewe anu resep ka Yusuf lantaran manehna gaduh sifat anu bageur, jujur, gaduh akhlak anu mulia sareng dipasihan raray anu kasep. Pamajika Qiftir, Zulaikha bogoheun ka Yusuf, manehna ngagoda Yusuf, tapi Yusuf ngahindar. Sabari era, Zulaikha anu keheul langsung ngapitnah Yusuf, bejana Yusuf anu ngagoda manehna. Qitir langsung ambek, Yusuf dipenjara. Dina penjara Yusuf katelah jago nafsirkeun mimpi. Hiji waktos Raja Mesir ngimpi, tapi teu aya hiji-hiji acan jelma anu tiasa nafsirkeun ngimpina iwal ti Yusuf.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7057", "text": "Urang kedah sabar nyaghareupan ujian anu dipasihan ku Alloh lantaran Alloh bakal masihan ujian ka saha wae anu iman ka Alloh. Alloh bakal masihan ujian jeung sakedik rasa kasieun, sakedik kakurangan. Tapi jalmi anu sabar mah bakal ngabalikeun sadayana ka Alloh. Tahap iman ka Alloh nyaeta lamun urang geus percaya dina hate, Alloh bakal masihan urang ujian pikeun ningal sakumaha yakin urang ka Alloh, ka kawasa Alloh. Lamun tina ujian eta urang tetep percanten jeung taat ka Alloh, artina urang geus lulus eta ujian, tapi lamun sabalikna urang malahkah ambek jeung ngalanggar parentah Alloh, artina urang can yakin ka Alloh. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2414", "text": "Dina konvénsi Panitia Antarpamaréntah pikeun Perlindungan Warisan Budaya Intangible ti 29 Nopémber nepi ka 4 Désémber 2015 di Windhoek, Namibia, UNESCO ngaku tilu genre tari tradisional di Bali, Indonésia, salaku Warisan Budaya Intangible saatos diusulkeun ti taun 2011. tilu genre anu dipikawanoh nyaéta jenis Wali (tari sakral), Bebali (semi-sakral/tari upacara) jeung Balih-balihan (tari pikeun tujuan hiburan). Tarian Wali jeung Bebali ngan bisa ditari di tempat jeung waktu nu tangtu. Tari Wali dilaksanakeun di palataran jero candi sarta tari Bebali dipintonkeun di palataran tengah (jaba Tengah). Sabalikna, tari Balih-balihan ditarikeun di palataran luar candi (sisi jaba) dina acara hiburan. Tilu génré diwakilan ku salapan tari, anu ngagambarkeun fungsi jeung tradisi kahirupan masarakat Bali.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5743", "text": "Yolla Yuliana teh salah sahiji atlet voli kabanggaan Kabupaten Bandung Barat. Anjeunna tos ngiringan sababaraha event voli nu sadayana kenging wae juara. Anjeunna gaduh ringgi badan 180 cm, katingalna meuni ngemplad pisan jangkungna. Posturna nu alus oge jadi salah sahiji oenunjang karirna. Awak alusna teh dijaga masing benee pisan, tina mulai olahragana, nutrisi nu asup kana awak, jeung porsi dahareun na teh sagala diatur pisan masing tarapti. Hal ieu supaya ngajadikeun awak anjeunna tetep kajaga, moal melar, jeung sajabana. Ku kituna, yuk ah urang coba jaga kasehatan awak sorangan ku cara ngatur sagala rupa nu asup kana awak! Ulah nepi ka sembarangan!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8069", "text": "Naek gunung kaasup olahraga nu ekstrim kusabab tiasa ngabahayakeun hirup. Naek gunung teu tiasa sembarangan aya perkawis nu kudu diperhatikeun. Kusabab urang bakal naek gunung arurang kudu make peralatan nu ngabantos urang naek, sapertos sapatu gunung, trekking pole, carrier, tenda sareng sajabana. Dibabaraha gunung urang kudu mawa jaket atawa baju haneut kusabab makin luhur gunung makin tiris hawana. Lamun naek gunung urang teh kudu mawa loba kadaharan kusabab naek gunung teh teu sajam dua jam nanging sapopoe komo aya nu nika berpoe-poe. Awak urang kudu kiat nyandak barang babawaan nu loba dina carrier. Naek gunung oge kudu apal medan sareng situasi di sakitar ngarah teu ngabahayakeun hirup urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3035", "text": "Nya acak-acakan, ujug-ujug hayang ngajual es krim homemade. Dijual ka barudak deukeut imah, tadina mah sok sok nyieun es krim sorangan, tapi rek dijual. Tapi kulantaran can boga pangalaman wirausaha, kuring teu ngarti kumaha ngitung modal jeung sabaraha ngajualna, jst. Kuring mah googling heula, nu utama mah terus promosikeun ka barudak nu mampir ka imah, da kabeneran ema mah aya warung makan jeung jajanan di imah. És krim sapertos kieu. Sarta naon ngajadikeun eta senang éta kuring ngajual eta pikeun 2.000 per cangkir. Unggal waktos aranjeunna nampi artos ti murangkalih aranjeunna mikir sapertos kieu Hei, anjeun damel nyalira anjeun tiasa nampi seueur ieu anjeun ngagaleuh ngan ukur meunang hiji cangkir ajahhhh.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7453", "text": "Sateuacan aya mesin cuci, jalmi biasa nyeseuh acuk nganggo lengeun, teu lila dijieun alat-alat kanggo ngabantos nyeseuh sapertos sikat jeung panggileusan. Kadieunakeun mulai aya mesin cuci anu nyieun kagiatan nyeseuh jadi leuwih gampang. Mesin cuci listrik kahiji di dunya diciptakeun ku urang Amerika anu namina David Alva Fisher dina taun 1910. Sanajan tos aya jalma anu mendakan mesin cuci sateuacana, tapi masih keneh meriyogikeun tanaga manusa. Mesin cuci listrik mimiti ayana henteu sapertos mesin cuci ayeuna, anu gampang pisan dianggo. Mesin cuci dijalankeun make tanaga listrik. Tinggal asupkeun baju ka tabung, teras asupkeun cai, ngke mesin ieu bakal muir sorangan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5474", "text": "Dina acara milangkala Jawa Barat, bakal diayakeun penapilan alat musik karinding ku dua ratus jalma. Tah penampilanna bakal dibawakeun ku pegiat seni karinding di Jawa Barat. Kukuh nu mangrupakeun anggota seni karinding di Bandung, gaduh oge kasempetan jang tampil dina ieu acaa mewah. Kukuh kacida pisan bungahna. Unggal poe menjelang hari H, Kukuh sok diajar di aula pemda kota Bandung. Biasana persiapan na teh di sababaraha bulan rek tampil. Pas menjelang hari H, Kukuh dibai acuk pangsi kangge seragaman. Alhamdulillah pas penampilan berlangsung, Kukuh tiasa lancar nampilkeun karindingna jeung deuih disiarkeun langsung dina sababaraha stasiun TV. Ieu jadi salah sahiji kabanggaan luar biasa jang pangalaman Kukuh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7400", "text": "Kajuaraan AFF anu ngaran lengkepna nyaeta Kejuaraan Federasi Sepak Bola Indonesia. Kajuaraan AFF ieu samemehna dingaranan Piala Macan jeung Piala AFF Suzuki (kusabab sponsor) sarta diganti deui jadi Piala AFF Mitsubishi Electric (AFF Mitsubishi Electric Cup) nyaeta kajuaraan maen bal internasional antar nagara di daerah Asia Tenggara. Turnamen ieu diayakeun unggal dua taun ku ASEAN Football Federation (AFF). Mimitina, kajawaraan ieu disebut Piala Tiger anu dimulai dina taun 1996 di Singapura. Dina kajuaraan kahiji dilaksanakeun, Thailand meunang kajuaraan sanggeus ngelehkeun Malaysia kalawan skor 1-0 di final. Salah sahiji pamaen Indonesia di Piala Tiger taun 1998 ngahaja ngasupkeun bal ka gawang sorangan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8872", "text": "Dina hiji kasempetan, kuring disungkeun pendapat ngenaan mesin cuci anu dua tabung jeung mesin cuci anu satabung, mana nu leuwih dipikaresep. Terus terang, pikeun kuring mah mending keneh mesin cuci anu dua tabung. Sabab, mesin cuci nu dua tabung mah misah antara tabung paragi ngagiles jeung tabung paragi ngeringkeun. Dimana salah sahiji aya karusakan teh masih aya nu bisa dimanfaatkeun. Misal anu rusak tabung pengering, tabung paragi ngagilesna masih bisa digunakeun. Sedengkeun mesin cuci anu satabung mah lamun aya karusakan teh, tos we teu tiasa digunakeun pisan salami can diservis mah. Jadi numutkeun pikiran Kuring mah mun rek meser mesin cuci, mending keneh nu dua tabung.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9317", "text": "Dana darurat ieu ngagaduhan peran anu penting dina perencanaan kauangan kusabab sifat kajadian anu ngadadak tiasa nyababkeun kauangan pabalatak sareng tiasa nyababkeun kabutuhan anu teu terpenuhi. Jumlah dana darurat tangtuna béda-béda ti hiji rumah tangga ka nu séjénna, gumantung kana pangasilan jeung pangabutuh nu dibutuhkeun ku unggal kulawarga. Saenyana keur jomblo, dana darurat minimal 4x tina biaya hirup bulanan, keur nu geus kawin 6x, lamun nu geus boga budak hiji 9x, jeung saterusna. Dasarna, dana darurat ieu kedah cekap pikeun nyumponan kabutuhan anjeun dugi ka anjeun tiasa uih deui ka kondisi anjeun ngamimitian. Dana darurat mangrupikeun strategi pikeun ngajaga kauangan kulawarga anjeun tina bangkrut bahkan kamiskinan. Upami anjeun gaduh dana darurat salami 6 bulan, hiji dinten nalika anjeun kaleungitan panghasilan, anjeun masih gaduh waktos salami 6 bulan ka hareup pikeun milarian padamelan atanapi sumber panghasilan nu énggal.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "830", "text": "Tali skipping nyaeta alat olahraga nu cukup loba digunakeun. Sabab olahraga lompat tali kasebut babari dipigawena. Lompat tali kaasup kana olahraga kardio. Ku lantaran kitu, lompat tali skipping mibogaan loba mangpaat jang kasehatan. Tapi sanajan sederhana, gerakan lompat tali bisa ngaronjatkeun kabugaran jantung jeung paru, mantuan ngabakar lemak awak, sarta ngalatih kakuatan otot suku. Jang ngalakukeunna, teu kudu riweuh ka luar imah. Cukup sadiakeun tali skipping tuluy geus bisa ngalakukeun lompat tali di buruan imah. Aya loba tali skipping nu bisa dibeuli. Tiap produk mibogaan karakteristik jeung kaunggalanna sewang-sewangan. Jadina kudu bener milih jenis tali nu luyu jeung kabutuhan urang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5448", "text": "Saha nu teu wawuh kana hiji carita rayat nu kawentar kamana-mana, judulna kisah Malin Kundang. Ieu kisah teh asalmulana ti daerah Sumatera Barat. Kisah Malin Kundang nyaritakeun ngeunaan kalakuan doraka ti buda ka kolot. Kacaritakeun aya hiji jalma nu ngaranna Malin Kundang ngabogaan sipat nu angkuh, sombong, jeung eraeun ngakukeun indungna. Indungna nyampeurkeun ka tempat rantau Malin Kundang, tapi teu diwaro, kalah di usir kasar ku Malin Kundang. Indungna ngarasa nyeuri hate, tuluy bari ceurik ngutuk Malin Kundang jadi batu. Teu lila, awak Malin Kundang ubah jadi batu jeung sujud ngenta hampura ka kolotna, tapi geus telat sabab hampir sakujur awana geus jadi batu. Dugi ka ayeuna batu Malin Kundang teh aya keneh, jeung deuih jadi tempat wisata sejarah nu lumayan seueur diminati ku wisatawan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9487", "text": "Liburan akhir taun sareng kulawarga mangrupikeun salah sahiji hal anu paling penting pikeun kulawarga. Liburan ieu henteu ngan ukur nyayogikeun waktos anu berkualitas sareng kulawarga, tapi oge masihan seueur mangpaat pikeun kulawarga. Kahiji, libur ahir taun jeung kulawarga bisa nguatkeun hubungan kulawarga. Ku ngalakukeun kagiatan babarengan dina mangsa lebaran, kulawarga bakal leuwih deukeut jeung leuwih akrab. Ieu bakal nyiptakeun suasana kulawarga anu harmonis. Kadua, liburan akhir taun sareng kulawarga tiasa janten sarana pikeun ngaleungitkeun setres sareng bosen. Saatos dinten anu panjang damel atanapi diajar, liburan sareng kulawarga anjeun tiasa nyayogikeun waktos anu sae pikeun ngahaneutkeun suasana di kulawarga. Katilu, liburan akhir taun sareng kulawarga tiasa janten kasempetan pikeun ngenal tempat-tempat enggal tur ngalaksanakeun kagiatan anu pikaresepeun. Liburan sareng kulawarga tiasa janten kasempetan pikeun ngajalajah tempat-tempat anu acan pernah disaba ku sarerea, nyobian kagiatan anu teu acan kantos dilakukeun, sareng nambah wawasan nu aya di sabudeureun urang. Ku alatan eta, ulah dugika kaliwat waktos liburan ahir taun sareng kulawarga.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5457", "text": "Mandau nyaeta sanjata tradisional suku Dayak, Kalimantan. Mandau diyakini ngandung unsur magis nu kentel pisan jeung masyarakat Dayak. Manda dijieunna tina bahan besi mantikei asli saluruhna. Bentuk mandau dijieun saalus mungkin sabab ngarepresentasikeun kahormatan sasaorang. Biasana mandau pinuh ku lukisan khas suku Dayak. Bentuk mandau nyaeta panang jeung diujungna lancip nyiripit. Di beulah nu teu seukeutna teh sok dilukis sakumaha alusna supaya jadi daya tarik. Dina mandau baheula pisan mah aya nu ujung gagangna sok make rambut. Tah rambut eta teh mangrupakeun simbol atawa rambut asli jelama nu sempet kabunuh ku mandau eta supaya roh na tetep ngahiji jeung mandau.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5435", "text": "Dinten kamari Uji ngiringan pasanggiri lagu daerah tingkat SMA sakabupaten Tasikmalaya. Tempatna yaeta di SMAN 1 Kota Tasikmalaya. Uji ngiringan jadi perwailan sakolana, SMAN 3 Tasikmalaya. Alhamdulillah Uji kenging juara 2 tina total aya 80 peserta. Lagu nu dihaleuangkeun ku Uji nyaeta lagu Bubuy Bulan. Uji sempet teu percaya jeung ngarasa minder kana kamampuan nana, tapi hasilna nunjukkeun yen Uji teh memang gaduh kamampuan nu hade jeung layak dina ieu pasanggiri. Beres ngiringan pasanggiri, Uji dipanggil ku kapala sakola sabab bade dipasihan apresiasi mangrupa beasiswa SPP salami sataun. Alhamdulillah Uji kacida pisan bungahna. Hal ieu ngajadikeun Uji makin sumanget latihan vokalna kangge persembahan acara-acara di sakola.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8851", "text": "Pikeun anjeun anu nembé ngagaleuh sélulér Android énggal, ieu léngkah-léngkah sareng cara nyetél sélulér Android énggal. Selapkeun heula kartu SIM sareng hurungkeun telepon sélulér. Pastikeun batré HP tos dicas pinuh. Kadua, pilih basa anu bakal digunakeun. Saran abdi nganggo basa Indonesia. Nanging, anjeun ogé tiasa milih basa Inggris. Katilu, sambungkeun jaringan ka Wi-Fi atawa data internét. Kaopat login akun Gmail. Salajengna, upami anjeun saacanna nganggo telepon sélulér Android, anjeun tiasa milih ménu cadangan. Ku cara éta, sadaya data dina sélulér anu lami bakal otomatis dialihkeun kana sélulér énggal. Kalima, setel tanggal jeung waktu dina handphone. Kagenep, setel sandi, boh make PIN, pangenal raray, atawa sensor sidik. Katujuh aktipkeun Google Assistant pikeun milarian nganggo sora. Sareng tungtungna, mimitian unduh aplikasi sareng kontén anu anjeun pikahoyong.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "499", "text": "Di jaman Rosululloh SAW, salian digunakeun jang sholat, dzikir jeung itikaf. Masjid oge bisa digunakeun jang kapentingan sosial. Saperti jang tempat diajar jeung ngajarkeun elmu, ngarawat nu gering, mereskeun hukum, jeung sajabana. Dina perjalanan sejarahna, masjid geus ngalaman perkembangan anu gancang, boh dina bentuk bangunan atawa fungsi jeung peranna. Hampir bisa disebutkeun, di mana aya komunitas muslim pasti didinya aya mesjid. Lamun sacara makro peran masjid nyaeta salaku sarana tempat kumpul atawa musyawarah, diskusi, pusat dakwah, kagiatan sosial, pembinaan, jeung sajabana. Loba mesjid diadegkeun umas Ilam, boh masjid umum, masjid sakolaan, masjid kantor, masjid kampus atawa nu sajenisna. Masjid diadegkeun jang minuhan hajat umat kana rupa-rupa aspek kahirupan khususna kabutuhan spiritual.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7448", "text": "Jaman baheula, jalma-jalma digegerkeun ku televisi. Sanajan televisi ieu tiasa digolongkeun salaku barang anu kacida mahalna dina jaman na. Ku lantaran eta, di jaman baheula, jalma anu boga televisi ieu bisa dianggap langka. Eta sababna loba jalma anu ngarempel ngan saukur meh bisa lalajo televisi. Di jaman baheula, televisi teu acan boga warna, layar televisi heubeul masih keneh hideung bodas. Sanajan ngan hideung sareng bodas oge geus kaasup barang anu mewah. Baheula loba jalmi anu ngabelaan ngadatangan imah batur ngan saukur meh bisa lalajo tipi. Biasana ngan jalmi anu beunghar hungkul sapertos Kades atawa konglomerat anu boga tipi di imahna. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9062", "text": "Léngkah munggaran upami urang badé jualan di TikTok Shop, nyaéta ngadamel akun bisnis heula. Sateuacan ngamimitian jualan di TikTok Shop, urang kedah nyieun akun TikTok pribadi urang janten akun bisnis. Upami urang tos beres, urang tiasa ngedit profil urang, tina nempatkeun poto profil anu pikaresepeun dugi ka ngeusian bio urang ku inpormasi bisnis anu lengkep, tong hilap nambihan tautan toko onlinena. Lengkah kadua, nyieun eusi konten anu dipikaresep. Ku unggah kontén anu pikaresepeun, urang tiasa narik pangguna TikTok pikeun ningali bisnis sareng ogé produk anu urang jual. Eusi munggaran tiasa janten bubuka pikeun bisnis urang. Salajengna, urang tiasa nyiptakeun kontén anu ngenalkeun produk, sistem penjualan, harga, sareng sistem bungkusanna. Tong hilap pilih lagu pengiring anu ayeuna nuju viral supados konten urang janten viral. Salajengna, jieun caption anu unik, sareng pasang dina waktos anu pas. Tungtungna, tong hilap nganggo hashtag sareng konsistén nyiptakeun kontén.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5388", "text": "Salah sahiji parentah bagi kaum muslim perempuan nyaeta ngaunakeun jilbab. Ngagunakeun jilbab hukumna wajib sabab nutupan aurat. Aurat perempuan teh nyaeta ti ujung rambut dugi ka ujung kaki kecuali telapak panangan jeung raray. Tah, bagean nu sanesna kedah wajib ditutupan ngangge nu namina jilbab. Bahkan, sahelai rambut nu katembong oge kasebat keneh aurat bagi perempuan mah. Mun aurat katingali kunu sanes mahromna, maka hukumna dosa. Sabisa mungkin urang salaku mislimah kedah ngangge jilbab sing tarapti supados dijauhkeun tina sagala fitnah sareng hal buruk salila di dunia. Jilbab ge janten identitas nu ngarepresentasikeun umat muslimah, nu ngandung makna penjagaan ka diri sorangan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1855", "text": "Sababaraha menit saeeugeus tugas kelompok ngajieun kueh, anjeuna geus siap. aranjeunna langsung ngabuka kuehna tina oven. \"Muhun, ayeuna jajan urang geus nyeiun kueh. Urang kudu ngahias kuehna !” ceuk Yuni. aranjeunna teras ngahias jajan nganggo krim, permen coklat, sareng strawberries. Tara!!! jajan homemade maranéhanana geus réngsé. \"Hayu, urang ngaraosan kuéh,\" saur Rita teu sabar. Rita jeung Yuni langsung ngadahar jajan nu dijieunna. \"Hm, kueh urang enak\" ceuk Rita bari ngadahar jajanna. \"Oh enya, rek di ajar masak?\" manehna nanya. “Kabagéan,” walon Yuni.\n\"Hayu, urang teraskeun tuangeun jajan. Tong hilap dirarancang kanggo kulawarga anjeun,\" saur Yuni. \"Oke,\" ceuk Rita ngacungkeun jempol.\nÉta ogé balik pikeun ngarasakeun kueh homemade maranéhanana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3862", "text": "Seblak ieu dahareun anu ges terkenal jeung loba di pikareseup ku batur, utama na ku anak muda. Seblak teh asalna ti Jawa Barat umumna mangrupa rupa-rupa eusian saperti kurupuk kenyal, mi, makaroni, bakso, aci anu di banjur cikur jeung sambel cabe. Tapi makin kadieu seblak loba make inovasi make loba piliheun toping na saperti sayur, bakso, sosis, daging hayam, endog jeung sajabana. Kecap 'seblak' sarua hartina jeung rasa kadaharan sorangan, ibarat diseuseut. Matakna loba batur ceunah ameh teu lieur atawa ngalampiaskeun masalah nyeri hatena ngadahar seblak ameh cenghar da lada. Kecap seblak sorangan mangrupa gabungan tina kecap segak jeung nyegak anu asalna tina basa Sunda anu hartina 'nyesek'. Rasa seblak ieu biasana dicirian ku ngagunakeun kencur atawa kencur. Ku kituna, ciri has kadaharan seblak nyaéta rasa cikur tina bumbuna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6768", "text": "Puncak Manglayang teh gaduh dua puncak. Aya puncak utama, aya oge puncak timur atawa puncak bayangan. Tapi paporit abdi mah puncak bayangan, sanajan leuwih pondok ti pada puncak utama tapi puncak banyangan ieu langkung sae ti puncak utama lantaran urang tiasa ningal awan jeung langit, janten tiasa popotoan siga laut di luhureun awan. Jalur ngadaki ka puncak bayangan langkung sesah jeung langkung leeur, janten urang kedah langkung ati-ati. Tapi teu sawios lantaran sesahna oge saluyu jeung hasilna. Lamun dipiwarang milih bade ka Manglayang puncak utama atawa puncak bayangan, abdi jelas bakalan milih puncak bayangan. Tapi lamun panasaran hoyonh nyobian dua na na urang tiasa ka ka puncak bayangan ngaliwatan puncak bayangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "562", "text": "Suling mangrupakeun salah sahiji alat musik tradisional. Suling dijieun tina awi jeung cara ngamaenkeunna nyaeta ku cara ditiup. Suling mangrupakeun salah sahiji alat musik nu kasohor di kalangan suku Sunda. Awi nu digunakeun jang nyieun suling biasana ukuranna leutik jeung aya tutupan dina tungtungna. Awi eta dibolongan make jarak jang ngatur nada. Biasana suling dibolongan teh aya opat nepikeun ka 6 bolongan. Lamun musik biasa mah mibogaan tangga nada do-re-mi-fa-so-la-si-do, suling Sunda mah mibogaan tangga nada da-mi-na-ti-la-da. Suling Sunda ngahasilkeun nada nu halimpu pas ditiup teh jeung boga ciri khas, jadi bisa ngabedakeun jeung sora suling ti daerah nu sejenna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5028", "text": "Di daerah Sumedang aya tempat wisata hidden gem nu kasorang kamana-mana. Ngaran tempatna nyaeta wisata Kampung Ciherang. Lokasina aya di Cijambu, Tanjungsari. Akses jalan na nyaeta ti masjid besar Tanjungsari tuluy belok ka jero. Jalan na alus diaspal, lewat perkampungan warga nepi ka jalan kebon. Tempat wisata ieu teh ayana di tengah kebon pinus. Wahana na nyaeta aya area outbond, kolam cai alami, jeung spot popotoan. Osok seueur pengunjung nu datang kadieu sabab kabita ningali na instagram. Komo mun weekend mah sok kadang pinuh ku pengunjung. Ieu tempat wisata jadi salah sahiji wisata paporit urang Sumedang sabab nyayogikeun kaendahan alam nu masih asri keneh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "56", "text": "Cireng mangrupakeun jajanan Bandung nu dijieun tina bahan dasar aci sampeu. Cireng mibogaan tekstur nu unik sabab aya campuran tekstur garing di bagian luar, jeung hipu di bagian jerona. Cireng bisa didahar jeung rupa-rupa saos, saperti saos sambel, saos rujak, jeung sajabana. Loba nu ngajual cireng, tapi sabenerna bisa nyieun cireng di imah. Carana siapkeun aci sampeu, bawang bodas, uyah, kaldu bubuk, jeung cai. Asupkeun cai kana katel, tambahkeun bawang bodas nu geus dicincang, uyah, jeung kaldu bubuk. Terakhir tambahkeun aci sampeu, tuluy digalokeun nepi rata. Masak nepi kentel jeung ngagolak. Campurkeun deui jeung aci sampeu, tuluy digalokeun. Salajengna dibentuk, mun geus dibentuk tinggal di goreng. Cireng siap di dahar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8676", "text": "Dina awal taun 2020, saurang awewe anu namina Maya ngadangu beja ngeunaan virus anu sumebar gancang di sababaraha nagara sareng mimiti hariwang. Maya sadar yen virus eta tiasa bahaya pisan sareng nyebarkeun gancang, janten anjeunna ngamimitian nyiapkeun dirina sareng kulawargana pikeun kamungkinan pandemik. Mimiti, Maya mimiti meser masker sareng sanitizer tangan pikeun ngabantosan panyebaran virus. Anjeunna oge diajar ngeunaan gejala sareng tanda-tanda virus, sareng cara nyegah sareng ngahindarkeunana. Sajaba ti eta, Maya mimiti meuli cukup dahareun jeung kaperluan sapopoe pikeun sababaraha minggu hareup, ulah kaluar imah teuing. Maya oge parantos ngamimitian ngajadwalkeun kagiatanana supados anjeunna tiasa damel ti bumi, sareng ngatur sadayana pikeun adaptasi sareng kaayaan pandemik. Anjeunna nyarios ka kulawargana sareng naroskeun aranjeunna sami, kalebet ngahindarkeun balarea sareng ngalaksanakeun jarak sosial.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6618", "text": "Emih tos janten kadaharan anu dipikaresep sadaya kalangan. Sanajan kirang sehat lantaran sesah dicerna, emih tetep jadi kadaharan anu mineng didahar lantaran hargana anu mirah sareng cara masakna anu gampil. Jadi we biasana arurang ngadahar emih ngan saminggu sakali. Emih jadi pilihan paling praktis pas keur hujan atawa kanggo bekel ka sakola. Padahal sabenerna aya daharan anu tiasa ngagantian emih jeung leuwih sehat ti emih nyaeta pasta. Lamun ditingali tina bentukna emih jeung pasta rada mirip bentuk sareng warnana, tapi bahan dasarna beda. Emih didamel ti tipung tarigu anu dicampur cai jeung edog, pasta didamel ti tipung gandum atau biasana disebut semolina. Pasta gaduh kandungan anu leuwih lengkap jeung sehat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1992", "text": "Pikeun pencinta karéta, anjeun ogé tiasa angkat ka Bali ku karéta, kareta api ngan ka kota Surabaya atawa Banyuwangi sabab sanggeus Banyuwangi kudu pindah deui ngaliwatan kapal jeung naek beus. Ti Jakarta, pilih karéta api nu nuju Surabaya (stasiun Surabaya Gubeng) maké karéta Gaya Baru Selatan. Biasana harga normal karéta Ékonomi ka Gubeng Surabaya sakitar 100.000 langkung. Perjalanan anu diperyogikeun ogé lumayan panjang, nyaéta sakitar 12 jam perjalanan. Upami angkat ti stasion Senen, karéta bakal angkat jam 13.00 sareng dugi ka Surabaya jam 01.30 énjing. Saparantos dugi ka stasion Surabaya, aya dua pilihan anu tiasa anjeun pilih, nyaéta neraskeun perjalanan ka Banyuwangi nganggo karéta api deui atanapi beus. Upami perjalanan didamel ku beus, kedah ka terminal heula sareng ngantosan buih isuk angkat ka Banyuwangi ogé karéta api anu badé angkat ka Banyuwangi. Upami pilihanna nganggo karéta teras pilih stasiun Banyuwangi Baru sareng ngan aya 1 karéta ékonomi anu ngalayanan jalur ieu. Harga tikét karéta api sakitar Rp 100.000.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2648", "text": "Olahraga inténsitas tinggi dilaksanakeun kalayan kombinasi gerakan dina waktos anu pondok. Olahraga ieu sampurna pikeun kuring anu damel di kantor sareng teu gaduh seueur waktos pikeun olahraga dina dinten minggu. Durasi latihan téh pondok, ngan 15-30 menit sapoé. Tapi sumpah, olahraga ieu bener ngahasilkeun loba kesang. Pikeun ngeunaan 3 taun kuring geus ngalakonan olahraga ieu rutin, 2-3 kali saminggu. Tapi sakapeung mah diselang ku cardio biasa (jogging atawa basket) jeung yoga, ngarah teu bosen. Kaunggulan tina HIIT teu ngan ngaduruk kalori bari ngalakukeun gerakan, tapi ogé sanggeus latihan rengse kalori urang bakal terus kaduruk pikeun jam. Kontras jeung latihan cardio biasa nu ngan kaduruk kalori lamun urang ngalakukeun gerakan. Éta sabab HIIT ngageterkeun awak urang ku gerakan anu kuat dilakukeun dina waktos anu pondok. Lajeng awak butuh waktu leuwih lila pikeun cageur sarta merlukeun cukup loba kalori.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6622", "text": "Barudak ngora biasana sok hilap ngaleeut cai, padahal ngaleeut cai penting pisan kanggo kasehatan. Dumasar kana penelitian dina jurnal Nutrition Reviews, tahun 2010 tujuh puluh lima persen awak urang teh cai, matakna arurang kedah ngaleeut cai minimalna dalapan gelas sapoe kanggo ngajagi awak arurang tetep sehat. Ngaleeut cai oge tiasa miceun racun-racun di awak, janten urang moal gampang gaduh panyawat sapertos maag atawa mencret. Lamun urang tara ngaleeut cai, ginjal oge bakal kaganggu. Matak penting pisan urang kedah ngaleeut cai. Aya sabaraha waktu anu pas kanggo ngaleeut cai supados langkung sehat, nyaeta pas arurang nembe gugah enjing-enjing, saatos sareng sateuacan olah raga, saatos sareng setuacan emam, pas keur tunduh, jeung pas keur ngarasa nyeri sirah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8839", "text": "Saptu kamari Mamang ngajak kuring lalajo pertandingan badminton di gedungna langsung. Lamun ditilik ti luar mah wangunanna teh teu pati gedé, tapi lamun asup ka jero tétéla jerona rada lega. Di jero wangunan dibagi jadi 3 lapang. Abdi sareng Mamang linggih di payuneun, tina korsi abdi tiasa ningali pertandingan jarak jauh, sareng kuring tiasa ningali sadaya penonton anu hadir. Sajeroning patandingan, waktu pamaén sababaraha kali nabrak lawan, kadéngé sora panongton anu ngagorowok kecap ea ea ea, ngajadikeun suasana pertandingan beuki ngagumbirakeun. Utamana mun geus deukeut ka ahir pertandingan, sora riungan balaréa beuki nyaring, kuring ogé jadi tegang, tapi sanggeus éta urang sadayana nangtung jeung kekeprok sabab pamaén favorit kuring meunangkeun eta patandingan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "48", "text": "Cai herang hiji hal nu paling penting dibutuhkeun awak, nyaeta H20 murni. Zat ieu mampu ngaganti cairan nu leungit ngaliatan metabolisme, pernapasan, jeung kesah. Cai herang teh minuman anu sempurna jang nyegerkeun deui sistem awak, jadi wajar para ahli nyarankeun meh leuwih mindeng nginum cai herang. Tapi jumlah anu dibutuhkeun gumantung kana sabaraha loba anu didahar, kondisi cuaca, jeung sabaraha aktif kagiatanna.Jadi kabutuhan tiap jelema beda-beda. Lamun dewasa, nginum cai herang disarankeun sakitar dalapan gelas sapoe sarua jeung 2 leter. Salian ti inuman, dahareun oge bisa mere asupan cairan kana awak nyaeta sakitar 20%. Cairan tina dahareun utamana dimeunangkeun tina buah jeung sayur, misalna bayem jeung samangka nu ngandung 90% cai.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8794", "text": "Sok sanajan teu pati resep kana renang, ti bubudak kuring teu weleh maksakeun diri supaya bisa renang. Non sababna kuring keukeuh hayang bisa pisan renang? Masalah na, kuring ngabogaan panyakit asma. Numutkeun para ahli kesehatan, jalma anu miboga panyakit asma, kacida hadena lamun daek rutin ngalakukeun renang. Ku ngalakukeun olah raga renang, panyakit asma laun-laun bisa ngurangan. Hal ieu dibuktikan ku panalungtikan para ahli kesehatan anu nyebutkeun yen gejala asma di kalangan penderita anu rutin ngalakukeun renang lalaunan ngurangan dibandingkan jeung penderita anu teu ngalakukeun renang. Kulantaran kitu, kacida pisan alusna lamun urang, bisa ngarutinkeun diri ngalakukeun olah raga renang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5426", "text": "Rumah adat Banten atawa rumah adat suku Baduy disebut rumah baduy. Bentuk imahna nyaeta imah panggung nu biasa disebut ku warga Baduy mah julang ngapak. Rangka imahna make awi jeung kai, sedengkeun dinding na make bilik nu dijieun tina awi. Mun atap imahna mah dijieun na tina injuk jeung daun kalapa atawa palem nu disebut sulah nyanda. Pantona dijieun tina bilik nu dianyam vertikal atawa disebut sarigsig. Salian eta, rumah adat Baduy dibagi jadi tilu bagian, nyaeta sosoro (hareup), tepas (tengah), jeung imah (tukang). Sosoro biasana nyaeta tempat jang narima tamu. Tepas nyaeta tempat jang tuang atawa kamar sare baruda. Mun imah nyaeta bagean inti mangrupa kamar utama jeung dapur.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5899", "text": "Salila ieu hape anu digadang-gadang alus kamerana teh nyaeta Iphone. Seueur anu meser hape Iphone jang puaskeun hasil foto jeung videona. Tah ayeuna mah muncul hape pesaingna nyaeta Samsung S23 ultra anu digadang-gadang bisa nyaingan kamera Iphone sabab emang resolusi kamerana nu alus kacida, nepi ka 200 megapixel. Ditambah deui ku ekstra zoom anu luar biasa anti crack pisan ngajadikeun ieu hape teh inceran pisan, komo jang nu resep fotografi. Hasil foto atawa videona oge resolusina bagus, bisa nepi ka 8k, dijamin bakal seubeuh pisan nempo hasilna ge! Tinu segi harga mah da sarua, jeung boga kaunggulan masing-masing salian kamera ge.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2686", "text": "Nonton pertandingan ti mimiti nepi ka ahir ogé ngajadikeun butut kuring nyeri pisan. Kuring nangtung sababaraha kali pikeun manteng otot butut kuring. Kuring sieun sabab biasana dina kamar anu rame sareng ditutup bakal sesah kéngingkeun sinyal. Tapi tétéla yén sinyal teu hese di dinya pisan. Jadi mun bosen lalajo mah bisa lancar maen HP.\r\nAya ogé sababaraha moments dimana kuring nempo pamaén méré gambaran méré titik. Di dinya kuring langsung suudzon \"oh, naha maneh mere poin kitu.\" Sanajan kitu, maranéhna bisa sabenerna geus nyieun kasalahan Tong hilap ngawilujengkeun ka sadayana anu meunang. Kabéh patandingan téh jadi tiis. Upami dipenta milih salah sahiji patandingan karesep kuring, jawabanna nyaéta pertandingan ganda awéwé sabab dina pertandingan éta skorna sok rada béda.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6751", "text": "Hotel mangrupakeun salah sahiji jenis pamondokan anu populer pisan pikeun para wisatawan. Hotel umumna nyadiakeun sababaraha tingkat harga pikeun nyocokeun ka kabutuhan unggal pelanggan. Biasana, harga anu langkung luhur nyadiakeun fasilitas sareng jasa anu langkung sae. Hotel oge umumna nawisan rupa-rupa layanan jeung fasilitas, sapertos kamar cai, kamar bobo, tipi, AC, jeung akses internet. Aya oge fasilitas anu sanesna, nyaeta restoran, kolam renang, gim, sareng kasino. Sababaraha hotel oge nawiskeun jasa transportasi pikeun nyayogikeun kabutuhan tamu. Sajaba ti eta, hotel oge nawarkeun jasa laundry jeung jasa kaamanan. Janten upami nuju liburan ka luar kota, hotel tiasa janten pilihan anu sae kanggo mondok lantaran seeur fasilitas anu dipasihan jeung jasa anu ditawiskeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2276", "text": "Taun anyar Kristen béda jeung taun anyar Hijriah. Taun Anyar Hijriyah ditandaan ku hijrahna Nabi Muhammad SAW ti Mekah ka Madinah jeung ieu pananggalan taun pikeun umat Islam. Samentara éta, Taun Anyar Kristen raket patalina jeung ritual agama tangtu, jadi Muslim katempona teu kudu ngalakukeun eta.\r\n\r\nPerayaan Taun Anyar Kristen ngabogaan sajarah anu panjang, loba jalma anu ngarayakeun poé éta teu nyaho substansi hajatan, iraha mimiti diayakeun jeung kasang tukang naha éta sohor. Kagiatan ieu mangrupa pésta warisan ti jaman baheula anu dirayakeun ku bangsa Romawi.\r\n\r\nMaranéhna ngabaktikeun (kurban/bakti) dina éta poé istiméwa ka hiji déwa nu ngaranna Janus, Allah Nu Gapura, Panto, jeung Awal. Janus mangrupikeun dewa anu gaduh dua rupa, hiji raray ningali ka hareup sareng anu sanésna ningali ka tukang, salaku filosofi masa depan sareng anu kapungkur, sapertos giliran taun.\r\n\r\nKanyataan ieu nyimpulkeun yén perayaan taun anyar henteu asalna tina budaya Muslim. Perayaan Taun Anyar mimiti dirayakeun ku kafir, anu saliwatan nyaéta pagan Romawi sareng ieu mangrupikeun ritual agama anu raket patalina sareng iman.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7023", "text": "Nabi Muhammad SAW nyaeta nabi anu diangkat ku Allah SWT salaku utusan ahir jaman. Anjeunna dibabarkeun di Mekah taun 570 Masehi. Anjeunna katelah \"Khataman Nabiyyin\" anu hartosna \"panutup para nabi\". Nabi Muhammad SAW nyaeta nabi anu paling dipikacinta ku Alloh. Anjeunna parantos ngajarkeun urang kumaha cara hirup numutkeun ajaran Islam sareng masihan conto anu hade pikeun urang sadayana. Anjeunna mangrupikeun jalma anu berakhlak mulia sareng parantos bajoang nyebarkeun ajaran Islam ka sakumna dunya. Mukjizat anu dipaparinkeun ka anjeunna nyaeta kitab Al-Qur’an. Nabi Muhammad kasohor pisan ku akhlakna anu opat, nyaeta jujur, amanah, fathonah sareng tabligh. Opat sifat eta mangrupakeun sifat wajib Nabi Muhammad.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8021", "text": "Salila libur sakola, Elsa sareng kulawargina ngunjungan dulurna nu cicing Bogor. Perjalanan ti Sukabumi ka Bogor nu biasana dua satengah jam ayeuna janten ngan sajam kusabab aya tol Bocimi nu karak dibuka. Saatos nepi di Bogor, Elsa sareng kulawargi langsung dongkap deui ka Bekasi. Di Bekasi maranehna ngunjungan Transsnow studio, nyaeta mall nu aya arena wisata saljuna. Untungna Elsa sareng kulawargi tos nyiapkeun jaket sareng baju haneut kusabab sanajan saljuna salju jieunan nanging tetep karasa tiris. Saatos ti tempat eta maranehna milarian patuangeun, patuangeun nu dipilari nyaeta patuangeun nu haneut-haneut. Kabeneran aya restoran nu ngaical grill-grillan, langsung we maranehna asup tur dahar di tempat eta.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7403", "text": "Bungee jumping nyaeta olah raga anu dilakukeun ku cara luncat tina tempat anu jangkungna sapuluh meter di saluhureun cai. Dilengkepan tali kaamanan sareng pendamping anu tos gaduh pangalaman, kagiatan ekstrim ieu sering diburu ku saha wae anu resep kana kagiatan anu bahaya. Harti kecap bunge nyaeta karet dina tali anu kudu napel nalika urang luncat. Ku sabab dijieunna tina karet, lamun jalmianu luncat geus nepi ka titik panghandapna atawa geus deukeut ka beungeut cai, awakna bakal rada kabetot ka luhur deui. Ieu bakal nyegah sirah urang supados teu nepak cai. Di Indonesia, bungee jumping geus lumayan populer, ngan teu loba jalma anu ngajadikeun ieu salaku olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8902", "text": "Kamari kuring ningali TV sareng aya warta ngeunaan datangna mesin pencuci piring otomatis. Mesin pencuci piring mangrupikeun alat mékanis pikeun ngabersihkeun alat makan sareng alat makan sacara otomatis. Teu kawas dishwashers manual, nu beurat ngandelkeun scrubbing fisik pikeun miceun kokotor, dishwashers mékanis ngabersihan ku nyemprot cai panas, ilaharna antara 45 jeung 75 °C (110 jeung 170 °F), kalawan suhu handap dipaké pikeun barang rupa. Campuran cai sareng sabun cuci piring dipompa ku sprayer puteran. Saatos cai lemes, mandi cai panas ngaliwatan muka klep solenoid elektro-mékanis, sarta siklus kontinyu dimimitian. Siklus bilas ngagunakeun bahan kimia, sareng saatos cai dikuringkeun, piring dikeringkeun nganggo salah sahiji tina sababaraha metode pengeringan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9051", "text": "Cimin mangrupa singgetan tina 'cireng mini'. Cimin nyaéta jajanan anu dijieun tina adonan sagu anu dikulub tuluy digoréng ku endog anu geus dikocok, biasana dibumbuan balado, jagong amis, jeung sajabana. Cimin loba dijual di sabudeureun SD, biasana barudak SD bakal ngemil cimin saatos uwih sakola. Saos anu gurih sareng lada anu nempel dina cimin anu dipikaresep ku seueur jalma. Aya ogé anu ngicalna bari nambihan makaroni rebus kana adonan cimin. Cara nyieunna, masak aci mini dina loyang leutik, tuluy campur jeung endog teras tungguan nepi ka asak. Tuluy campur jeung rupa-rupa bungbu, biasana amang nu ngajualna nawarkeun asin, amis, lada, atawa kejo. Tapi tina pangalaman kuring, sanajan urang nyebutkeun \"ngan make kéju, mang\" tungtungna mah si amang bakal nyampur sagala bumbu nu aya. Cenah lamun ngan hiji bungbu teu ngeunah. Sanggeus éta, aduk nepi ka rata, karek bisa di dahar.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9398", "text": "Kuring karek nganjangan salah sahiji restoran fast food anyar di kota kuring. Restoran ieu nyadiakeun rupa-rupa olahan hayam. Ti mimiti hayam goreng tipeung nepika pizza jeung kebab nu make eusi hayam aya di restoran ieu. Kuring datang isuk-isuk pikeun meunang antrian mimiti. Nanging, kuring karek kabagean beurang sabab restoran ieu rame pisan. Kuring sorangan datang ka dinya. Mesen hayam goreng tipung cabe, make sangu jeung es teh lemon. Kuring ngarasa puas dahar di restoran ieu sabab hayamna badag, tipungna ge kandel jeung karasa pisan samarana. Tempatna oge matak betah. Sanajan pinuh, teu karasa panas sabab AC didieu tiis. Hargana oge kajangkau. Porsi nu kuring pesen jeung es teh lemon ngan tilu puluh rebu. Ieu jadi salah sahiji restoran anu jadi favorit kuring.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8073", "text": "Seueur jalma nu nganggep naek gunung teh micenan waktos tur ngacape-capekeun awak hungkul. Padahal mah naek gunung teh resep pisan ti mimiti naek nika nepi ka puncak komo mun dongkapna sareng rerencangan. Salila perjalanan naek urang teh tiasa ngobrolkeun naon-naon wae sareng rerencangan, masak sarerea, hees sarerea, pokokna ngadeketkeun pisan hubungan urang jeung rerencangan. Ditambih deui pemandangan di sakitar gunung nu kacida endahna. Nepi puncak pasti bungah pisan kusabab perjuangan naek ahirna salse. Arurang tiasa foto-foto keur ngaabadikeun kabungahan sareng panorama ti luhur gunung. Saleresna capek tur rada bahaya oge naek gunung teh nanging pengalaman sareng momen-momen jeung rerencangan teu aya pangaosna. Ku kituna hayu urang giatkeun kagiatan naek gunung teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4141", "text": "Al-Qur'an atawa Qur'an nyaéta kitab suci utama dina Islam, anu umat Islam percaya yén kitab ieu diturunkeun ku Allah, anu diturunkeun ka nabi Islam Muhammad SAW.Ieu kitab dibagi jadi sababaraha surah tina 114 surah jeung unggal surah dibagi jadi sababaraha ayat. Umat ​​Islam percaya yén Al Qur'an diucapkeun langsung ku Allah ka Muhammad ngaliwatan Malaikat Jibril, laun-laun leuwih 22 taun, 2 bulan jeung 22 poé atawa rata-rata 23 taun, dimimitian dina tanggal 17 Ramadan Umat Islam ngahormat Al-Qur'an minangka mujijat agung Nabi Muhammad SAW, minangka salah sahiji tanda kenabian, sarta jadi puncak tina sagala pesen suci atawa wahyu anu diturunkeun ku Allah ti saprak Adam sareng ditungtungan ku Muhammad.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4017", "text": "Dina pamanggih kuring, pilem Miracle in Cell No 7 nyaéta pilem pangalusna taun. Hiji pilem anu henteu ngan hébat tapi mere pangajaran nu alus pisan. Hiji pilem anu ngajarkeun yén cinta munggaran putri urang bapana sarta kabagjaan anak - sagalana pikeun kolotna. pilem nu kudu jadi conto sabab kiwari geus marakna aksi kekerasan jeung kajahatan antara kolot jeung anak maranéhanana atawa sabalikna, sanajan kolotna geus sakuduna dituju jadi tempat paling aman pikeun barudak maranéhanana. kanyaah budak jeung kolot teu bisa dipisahkeun. Film ieu akhirna loba nyadarkeun ka para bapak jeung putri na soal penting na waktu duaan. Waktu nu ayeuna jarang aya ku sabab sibuk ku kasibukan na masing-masing. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9449", "text": "Danau Toba mangrupikeun salah sahiji tujuan wisata alam anu kasohor di Indonesia. Danau Toba nyaeta danau vulkanik panggedena di dunya anu aya di Sumatra Utara. Danau Toba miboga legana kira-kira 1.145 kilometer pasagi sarta mangrupa salah sahiji danau pangendahna di Indonesia. Danau Toba ngagaduhan panorama anu endah kalayan pamandangan alam anu teu kaampeuh sareng dijaga. Danau Toba oge mangrupa tempat wisata anu cocok pikeun sagala rupa kagiatan, kayaning ngojay, mancing jeung jalan-jalan di sabudeureun eta situ. Salian ti eta, Danau Toba oge jadi tempat anu cocok pikeun tujuan liburan jeung kulawarga atawa babaturan. Di sabudeureun Danau Toba oge aya rupa-rupa pamondokan anu bisa dipilih numutkeun kabutuhan jeung anggaran.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8684", "text": "Pandemik ieu teu tiasa diprediksi sareng tiasa kajantenan iraha wae. Hayu urang nyiapkeun diri urang ayeuna supados urang sareng kulawarga urang ditangtayungan sareng siap nyanghareupan kaayaan darurat ieu. Pandemik tiasa mangaruhan kahirupan urang ku sababaraha cara, ti kasehatan dugi ka kauangan. Hayu urang nyiapkeun diri ku nuturkeun protokol kasehatan anu leres sareng gaduh suplai kadaharan sareng obat anu cekap. Urang sadayana gaduh tanggung jawab pikeun ngajaga diri, kulawarga sareng komunitas urang tina pandemik ieu. Hayu urang mimitian ku nuturkeun protokol kasehatan sareng nyiapkeun suplai sareng rencana kontingensi. Nyiapkeun pikeun pandemik mangrupikeun kalakuan anu penting sareng tanggung jawab salaku warga nagara. Hayu urang nyiapkeun ayeuna supados urang tiasa nyanghareupan darurat ieu sacara tenang sareng teratur. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4466", "text": "Ti jaman leutik urang ka asup jelema anu horean pisan kana olahraga. Olahraga teh capek riweh jeung umumna kudu kaluar ti imah jadina urang jarang pisan olahraga. Tapi ti jaman leutik aya olahraga anu ku urang di anggapna uulinan padahal olahraga nyaeta loncat tali atawa bahasa olahraga na skipping. Mimitina urang teu apal yen skipping teh ka asup ka alat olahraga urang maen loncat tali make skipping berarti sarua jeung olahraga. Biasa na urang maen loncar tali keur leutik make karet, sabenerna mah sarua wae sih, nu penting sarua fungsi na keur olahraga ameh kesangan supaya sehat. Urang resep maen loncat tali kusabab horean kaluar imah da make skipping mah bisa olahraga di imah teu kudu kamana-mana jeung efektif nyieun kesangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7657", "text": "Urang tiasa nyiptekaun produk anu anyar atawa produk anu leuwih seeur jinisna supados konsumen teu bosen meser ka urang. Pas rugi oge urang tiasa ngalakukeun promosi atawa masihan barang gratis ka konsumen supados maranehna tiasa nyobian heula barang urang. Misalna urang ngayakeun bagi-bagi barang dagangan urang gratis, tapi syaratna kedah ngapromosikeun barang urang dina sosial media manehna sareng kedah ngajakan jalmi anu sanesna kanggo miluan oge supados barang urang teh dikenal ku seeur jalmi. Lamun barang urang tos kasohor jeung tos dicobian mah pasti bakal aya nu meser. Cara ieu dilakukeun lamun urang teu gaduh seeur modal, keun bae urang rugi di awal tapi lamun geus laku pasti bakal balik deui modalna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "888", "text": "Kudu nyempetkeun diri sorangan jang olahraga. Olahraga lain ngan saukur jang nurunkeun beuratna awak. Pentingna olahraga jang kasehatan leuwih ti eta. Olahraga mangrupakeun gerak awak jang nguatkeun otot jeung tulang, sarta nyehatkeun awak. Olahraga nu bisa urang lakukeun sorangan di antarana lari, ngojay, nyapedah, atawa jalan gancang. Sedengkeun olahraga nu dilakukeun bareng nu sejen siga mengbal, bulu tangkis, tenis meja, jeung masih loba deui. Naon wae olahragana, ngaaktifkeun sakabeh anggahota awak mangpaatna sacara fisik, mental, jeung panjang umur. Ku kituna leuwih alus olahraga misalna unggal isuk-isuk samemeh ngalakukeun aktivitas ku olahraga leumpang, teu kudu lila-lila teuing 30 menit ge cukup saenggeus ngalakukeun olahraga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "94", "text": "Dahar seafood di Restoran Tepian Rasa, jujur kuciwa pisan. Hargana marahal pisan, kaduhung kadieu teh. Pelayananna oge butut. Awalna apal tempat ieu dina Tiktok, ceunah mah tempat seafood nu paling gede di Bandung, emang sih tempatna mah alus jeung lega. Didieu sistemna teh milih sorangan seafood nu rek dipesen, kabeh masih seger, masih harirup. Tapi lebar pisan pas kadieu geus loba nu beak ngan nyesa lauk bawal, lauk gurame, jeung udang. Rek pesen kerang tapi kerangna geus kajual kabeh. Urang pesen kepiting make saos Singapur jeung saos asam manis. Urang kuciwa pisan sabab nu datang tiheula teh kalakah lauk-laukna, ari sangu jeung nginumanna datangna terakhir pisan aya kana 30 menit nepika sajaman mah kakara datang. Sedengkeun seafoodna teh geus tariis jeung teu ngeunah deui.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1562", "text": "Teu kabeh tatangga teh bener, loba oge tatangga nu nyieun urang keuheul, tapi urang sok ngalakukeun sababaraha cara nu bisa ku urang lakukeun. Nu mimiti pastina urang ngomong heula jeung tatangga, urang ngomong jeung tatangga ngarah masalah bisa rengse jeung teu beuki ruwet. Mun teu bisa diomongan, urang bakal menta bantuan mediator siga ka RT atawa RW. Biasana bisa mantuan dina ngarengsekeun masalah. Lamun teu bisa rengse wae masalahna atawa tatangga geus ngalakukeun tindakan nu ngalanggar hukum, urang bakal ngahubungi polisi jang mantuan mereskeun masalah. Tapi biasana cara ieu dilakukeun mun geus kabeh cara dilakukeun tapi euweuh hasilna, nu penting urang geus ngalakukeun cara-cara anu bener.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4720", "text": "Wirausaha asalna mangrupa gabungan tina dua kecap, nya eta 'wira' jeung 'bisnis'. Wira hartina pendekar, pahlawan, budi pekerti, manusa unggul, budi pekerti, tur gagah. Samentara eta, usaha nyaeta ngalakukeun atawa praktek na, ngalakukeun hiji hal jeung digawe. Lamun dihartikeun sacara umum hartina wirausaha nyaeta jalma anu nyieun hiji produk, nangtukeun metode produksi, ngatur operasi pikeun produk anyar jeung ngatur modal jeung pamasaran nana. Jalma anu ngalaksanakeun kagiatan wirausaha disebut wirausaha. Anjeunna tanggung jawab nyiapkeun manajemen operasional tina sakabeh proses kagiatan, ti pengadaan pikeun pamasaran produk. Pangusaha oge kudu boga kamampuan pikeun maca tren pasar sangkan henteu salah sasaran dina pamasaran produkna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2811", "text": "A.I. Pangolahan Basa Alam atanapi langkung dikenal salaku kamampuan analitik téks, ngamungkinkeun bot-bot ngartos sareng napsirkeun basa alami manusa. A.I. Pangenal Gambar langkung sapertos \"visi komputer\" anu ngamungkinkeun robot ngartos rupa manusa, objék, gambar anu kapaké pikeun auténtikasi kaamanan, idéntifikasi, atanapi ngawaskeun barang anu ruksak pikeun jaminan kualitas. A.I. mantuan robot jadi jadi calakan nu bisa akurat mantuan staf (PNS) pikeun ngarengsekeun tugas nu biasana overwhelm aranjeunna. Seuseueurna PNS kedah 'digitize' data anu aya dina dokumén kertas, anu seueurna dilakukeun sacara manual. Dina nanganan data anu bakal ditransfer atanapi dilebetkeun, tiasa aya kasalahan. Kajadian anu teu dihoyongkeun ieu tiasa dicegah ku ngantepkeun bot calakan pikeun ngurus data ieu, contona:\r\n1. Mindahkeun data tina hiji sistem ka nu sejen\r\n2. Ngitung jeung ngamutahirkeun data dina hiji sistem", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3627", "text": "Naha anjeun kantos nyaksian maling telepon sélulér sateuacan panon anjeun? Kabeneran sis sadar yén HPna teu aya. Eh, nu keur diuk gigireunana. Abdi di payuneun Ms. Tah, ku sabab sieun digebugan, si maling mas teh ngabobodo tuluy indit. Sieun katéwak.\nTeu kungsi lemah haté alatan angkot nu gagabah. Oh, kuring teu resep laju. Haté teu kuat. Kabeneran, aya awéwé anu ningali ekspresi kuring sieun, sareng ngingetkeun supir. Oh, éta saé pisan, Bu. Abdi ngadoakeun anjeunna damang.\nPernah mawa supir mabok. sieun asli. Panonna geus beureum. Awak bau. Tapi tetep aman turun, sabab jarakna caket.\nKantos dibobodo ku budak. Gusti. éra. Nepi ka kuring ménta nomer hapé. Pas turun, kuring meuli nomer anyar, demi teu dikontak ku lalaki. Kabeneran kuring oge neangan batur. Janten, gentos.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3067", "text": "Nalika kuring kakara muka kios, sateuacan nyiapkeun naon anu kuring lakukeun nyaéta ngitung saham awal, kuring ngadamel catetan. Teras dina waktos nutup lapak, sateuacan mudik abdi ngitung sareng ngarékam stok ahir. Teras saluyukeun sareng pesenan dinten ayeuna, jumlahna sinkron atanapi henteu. Pemisahan duit dumasar kana kategori.. Jadi unggal rengse ngitung titik 1 nyaeta sabaraha modal anu geus kapanggih, sabaraha kauntungan, teras misahkeun duit, kuring sisihkan duit modal jeung ngan ieu duit anu bisa kuring dipake keur. BELANJA, jadi pengeluaran mah teu pernah ngaleuwihan jumlah duit modal sangkan teu kacolongan ku duit sejen.. Terus duit untung dibagi-bagi deui keur kios kontrakan, tabungan, jeung duit saku.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2661", "text": " Dénmark ogé salah sahiji nagara munggaran di Éropa anu ngembangkeun badminton serius, sahingga tungtungna sigana kawas dina alur, kompetisi muncul, lahirna atlit kuat, klub, puseur latihan jeung ngembangkeun organisasi.. Naha kanggo olahraga badminton ti Eropa ngan Denmark anu paling kuat? konci perenahna di popularitas. Anjeun teu hoyong kapaksa mayar nonton olahraga anjeun teu nyaho, naha? Popularitas mangrupikeun titik awal anu nangtukeun kasuksésan atanapi kagagalan olahraga di hiji nagara.\r\nieu aliran:Olahraga jadi populér → Paménta pikeun nempoan naek → Kompetisi muncul → Kompetisi ngahasilkeun atlit → fasilitas latihan jeung asah, sistem jeung puseur muncul pikeun ngahasilkeun atlit kompetitif.Ku sabab kitu aya sababaraha nagara anu alus dina olahraga tangtu, misalna:", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7927", "text": "Kanggo jalmi anu resep naek ka gunung ka bagian puncak, urang kedah ati-ati kana suhu di puncak gunung, biasana suhu di puncak gunung teh sok tiris pisan matak urang kedah apal kumaha carana nyanghareupan kondisi katirisan di gunung. Anu kahiji urang teu meunang cicing lantaran eta malah bakalan nyieun urang beuki katirisan, awak manusa teh bakal tiasa ngadamel panas sorangan lamun gerak. Anu kadua urang oge tiasa ngadamel seneu di gunung lamun tiasa. Panas tina seneu ieu tiasa ngahaneutkeun awak urang ti luar. Cara anu sanes ngahaneutkeun awak urang ti jero oge tiasa ku ngadahar dahareun jeung eueut nginuman anu haneut. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5040", "text": "Tilu tempat wisata nu keur viral di Bandung. Nu kahiji nyaeta Kawah Putih. Wisata Kawah Putih lokasina di Ciwidey. Kaendahan wisata ieu nyaeta dina kawahna. Warna cai kawah teh meuni bodas ngeplak sabab kandungan belerangna gede pisan. Tah mun popotoan didieu teh bakal jadi unik jeung alus pisan. Nu kadua nyaeta wisata Kampung Cai Rancaupas atawa dikenal oge ku ngaran Rancaupas. Lokasina nyaeta di daerah Ciwidey. Wisata ieu nyayogikeun destinasi penangkaran peucang, jeung wahana camping ground nu lega pisan. Sakurilingna bukit nu alus jang popotoan. Nu katilu nyaeta wisata Nimo Highland. Lokasina nyaeta di Pangalengan. Tempat wisata ieu nyayogikeun kaendahan hamparan kebon enteh. Didieu oge aya bangunan nu katelah na jiga Santorini. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1622", "text": "Cara meh urang bisa bahagia sanajan tinggal hirup di desa. Nu mimiti urang kudu bersyukur, lantaran teu kabeh jelema bisa meunangkeun kasempetan bisa hirup di desa. Bersyukur sabab unggal poe urang bisa ngarasakeun udara anu seger jeung pemandangan anu lega. Tangtuna bakal nyieun sehat jasmani jeung rohani. Nu kadua bersabar, sabar lantaran fasilitas nu aya di desa teu sacanggih jeung salengkep nu aya di kota. Nu katilu di desa karakterna lobana relijius, jadi urang oge bisa kababawa taat jeung rajin ibadah. Komo deui di desa mah jadi mindeng sholat berjamaah. Bahkan sok nyalampeur bari ngahudangkeun urang mun pas subuh teh meh bisa sholat babarengan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8663", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun salamet di gunung. Sateuacan angkat, penting pikeun nyiapkeun sareng ngarencanakeun perjalanan anjeun. Ieu kalebet diajar jalur pendakian, nyiapkeun alat sareng suplai anu diperyogikeun, sareng mariksa kaayaan cuaca anu dipiharep. Upami terdampar di gunung, penting pikeun milarian sumber daya sapertos sumber cai, sumber pangan, sareng bahan bakar. Di gunung, suhu tiasa turun pisan, sareng penting pikeun ngajaga suhu awak anu haneut. Hal ieu bisa dilakukeun ku cara make baju numutkeun suhu lingkungan, nyieun api unggun pikeun ngahaneutan diri, jeung make saung saperti guha atawa tenda. Eta sababaraha cara pikeun salamet di gunung. Penting pikeun ngawasaan kaahlian salamet sareng nyiapkeun sae sateuacan angkat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3850", "text": "Fried Chicken atawa hayam goreng tipung emang moal sepi ti nu meuli, kabeh jelema ti budak leutik, ibu-ibu, bapak-bapak, nepika nini-nini ge resep hayam goreng tipung. Mantakan ayeuna mah nu jualan fried chicken teh loba pisan, di gigireun jalan aya, di warteg ge aya, komo di restoran mah. Terus lain di kota hungkul ayana, di kampung ge ayeuna mah loba nu ngajual dahareun cepat saji jiga fried chicken. Tapi fried chicken teh asalna tina restoran luar negeri, saperti KFC, Mcdonald, AW tah mun didieu mah aya Lazzato. Tapi di antara merek sejen, KFC anu jagona hayam mah. Hayam KFC mah ngeunah, emng nomor hiji di mata rata-rata masyarakat. Bumbu na teh beda asa sesuai jeung lidah orang indonesia, mantak eta ge nya loba jelema indonesia anu resep ka fried chicken na KFC. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3579", "text": "Kuring boga sababaraha babaturan deukeut anu salamet nepi ka poé ieu, anu ngajaga hubungan deukeut sabab ngarasa maranéhna silih ngalengkepan, butuh unggal lianna. Babaturan téh kawas mitra. Éta tiasa janten tempat pikeun ngawadul sareng silih tukeur ide nalika anjeun macét dimana waé milarian jalma. Enya, sobat téh muara. Abdi henteu tiasa ngitung sabaraha kali urang gelut pikeun hal-hal anu sepele, teu tiasa cicingeun sababaraha dinten, tapi urang ogé peryogi nami, janten uih deui. Hapunten sareng wartosan kuring naon anu salah. Réngsé. Urang damang deui. Sabot turun, kuring néangan maranéhna pikeun nganyatakeun uneg uneg jeung ménta pangrojong. Jeung maranéhna salawasna aya. Misalna masalah percintaan harita, kakara kuring ngarasa ieu babaturan kuring bener-bener ngabela kuring, nangkeup kuring ku cara kitu. Kitu ogé kuring, nalika aranjeunna keur kasulitan, kuring salawasna aya.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2387", "text": "Kunjungan ka Cirebon henteu lengkep upami anjeun henteu mikaresep rupa-rupa kuliner sareng moro oleh-oleh khasna. Aya seueur jajanan khas anu tiasa anjeun nikmati nalika mudik ka Cirebon. Salaku:\r\n1. Kurupuk goréng\r\nCemilan khas Cirebon anu tiasa anjeun nikmati sareng tiasa ogé janten oleh-oleh nalika mudik ka Cirebon nyaéta Krupuk Melarat. Salian hargana anu murah, Kerupuk Melarat gaya Cirebon ieu ogé ngabogaan rasa anu nikmat. Bisa dijadikeun cemilan, Kurupuk Malang ieu ogé cocog pisan dijadikeun réréncangan nalika ngadahar sangu. Anu leuwih unik deui, Kerupuk Imperata ieu dimasak tanpa minyak goreng, tapi ku keusik. Kurupuk ieu ogé cocog pisan dinikmati kalayan sambel haseum lada.\r\n2. Rarawuan\r\nRarawuan nyaéta kuliner anu ampir siga cireng, tapi has ti Cirebon. Bedana kuliner cireng jeung Rarawuan nyaeta kalapa parut jeung kacang gendolo di jerona. Dina hiji suuk anjeun geus bisa ngarasakeun rasa gurih tina parutan kalapa dina rarawuan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "862", "text": "Bungee jumping nyaeta olahraga nu dilakukeun ku cara ngaloncat di luhur puluhan meter. Dilengkepan ku tali pengaman sarta pendamping nu geus pangalaman, aktivitas ekstrem ieu paling mindeng diburu ku nu mikaresep adrenalin. Di Indonesia, bungee jumping geus lumayan populer, ngan teu loba jelema nu apal ieu teh olahraga, lolobana mah apalna ieu rekreasi. Tiap tempat biasana geus nyadiakeun kabeh peralatan nu diperlukeun, jadina teu kudu mawa nanaon. Peralatanna nyaeta tali bungee, tali ieu bakal ditalikeun kana pigeulang suku jeung dihubungkeun kana hiji tali nu leuwih panjang ngagunakeun rante jadina kuat nahan beuratna awak. Tuluy aya tali pengaman, tali ieu bakal dipasang dina awak nyaeta dina bagian pigeulang suku jang mastikeun bener-bener aman pas ngaluncat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8101", "text": "Iphone teh salah sahiji developer hp nu produkna beredar di Indonesia. Nanging sainganna nyaeta android leuwih unggul pasarna di Indonesia. Alesan utamana mah nyaeta pangaos android nu leuwih mirah dibanding iphone. Iphone teh tos ngagaduhan titel hp jalma beunghar kusabab pangaosna. HP andorid leuwih unggul oge kusabab teu ribet khususna dibagian kaamananna. Saleresna iphone leuwih aman upami perkawis keamanan nanging ngajadikeun ieu hp teu tiasa sembarangan konek ka device nu sejen teu sapertos android. Teras developer iphone teh kesanna males ngembangkeun fitur nu aya dijero hp ieu kusabab unggal kaluar model anyar upgrade utamana atanapi nu pang katempona teh ngan saukur dibagian kamera.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5035", "text": "Anit mah unggal poe Minggu sok ka Taman Anggur, miluan senam mingguan. Di Taman Anggur mayar karcisnan dua puluh rebu. Mun Minggu sok aya hiburan artis konser, seni sisingaan, atawa senam ibu-ibu. Tah, Anit mah sok miluan senamna sabab ditayangkeun di TVRI. Biasana senam dimulai jam dalapan nepi ka jam sapuluh. Beres senam teh sok maleser emameun di tukang dagang sakuriling parkiran Taman Anggur. Teu hilap samemeh bubaran sok popotoan heula di wisata ieu teh. Nya sehat mental nya sehay fisik wisata kadieu mah. Mun tos maju ka siang mah sok panas, mantak asal jam sabelas ge Anit mah tos mulang deui ka imah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5911", "text": "VR teh jadi salah sahiji teknologi anu keur loba dikembangkeun. Pasalna, VR teh terobosan dina nyieun simulasi jeung tiruan tina dunia nyata. Jadi, VR teh ngavariasikeun wujud nyata dunia kana wujud virtual. Cara make VR ge gampang, mimiti tinggal atur alatna heula, terus pasang alatna kana mata urang. Geus kitu mah tinggal cocokeun jeung paskeun ukuran nana. Terus tinggal setel we video virtualna nu dikontrol oge tina komputer. Geus kitu mah tinggal menikmati selancar dunia virtual anu jiga realisasi tina lingkungan nu di setting. Ayana VR teh dipandang jadi salah sahiji teknologi bidang hiburan anu bisa pisan ngajak penggunana ka dunia nu dipikahayang lewat virtual.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4506", "text": "Urang biasana basa di sakolah pasti aya anu ngarana ekstrakulikuler di sakola. Kagiatan ekstrakurikuler sabagé wadah pikeun mekarkeun poténsi siswa anu bisa méré pangaruh positip dina nguatan atikan karakter. Siswa dipiharep mampuh mekarkeun karakter anu sasuai jeung bakat na. Ekstrakulikuler di sakola aya rupa rupa, mulai ti ekstrakulikuler mata pelajaran nepi ka olahraga. Basa urang sakolah di SMA loba barudak anu lewih milih ekstrakulikuler olahraga utamana budak lalaki kusabab ceunah lieur lamun pelajaran wae, jadi olahraga anu bisa di jadikeun penyegaran na. Aya loba piliheun olahraga di ekstrakulikuler sakola aya sepakbola, aya futsal, aya bola basket, bola voli nepi ka olahraga bela diri saperti pencak silat jeung taekwondo. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8673", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngadukung babaturan anu aya masalah. Nalika sobat anjeun ngalaman kasusah, dengekeun scaa empati tanpa nangtoskeun atawa ngakritik. Masihan rohangan pikeun aranjeunna ngobrol sareng ngaraosan emosi anu aranjeunna alami. Tawarkeun dukungan anjeun sareng naroskeun naon anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngabantosan. Ngingetkeun babaturan anjeun yen aranjeunna henteu nyalira sarta yen anjeun salawasna aya pikeun mantuan aranjeunna. Panginten aranjeunna ngan ukur peryogi batur pikeun diajak ngobrol atanapi bantosan fisik pikeun tugas-tugas sapopoe. Pangrojong sareng perawatan babaturan tiasa janten faktor penting pikeun ngabantosan batur dina waktos susah. Dina sababaraha cara anu sae sareng anu pas, anjeun tiasa nyayogikeun dukungan anu diperyogikeun sareng ngabantosan sobat anjeun langkung sae.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3541", "text": "Dina pamanggih kuring, kalawan cara anu pangalusna pikeun milih pasangan hirup nyaeta nalika, Anjeun kudu neangan batur kalawan ciri ieu\n1. Imanna alus. Anjeunna malah ngingetkeun anjeun pikeun ngadoa sateuacan anjeun ngingetkeun anjeunna. Sarta anjeunna ngalakukeun eta konsistén. (Abdi rada sanjung mun aya nu ngingetkeun kana solat. Masalahna biasana mah kuring nu kitu. Da biasana lalaki nu ngadeukeutan ka kuring mah ngan solat di awal, tungtungna mah teu nyahoeun)\n2. Anjeunna ngarojong anjeun, naon hal alus rék ngahontal.\n3. Anjeunna ngabebaskeun anjeun pikeun sosialisasi tapi henteu hilap naroskeun kumaha anjeun. Ukur nanya, lain dicaci ku rupa-rupa pananya!\n4. Anjeunna understands nu peryogi waktu pikeun digawé, babaturan jeung anjeun sorangan waktu kuring.\n5. Anjeunna salawasna calms anjeun tanpa anjeun nanya. Sareng anjeunna masihan waktos nalika anjeun naroskeun henteu kaganggu.\n6. Anjeunna diajak ngabahas masa depan babarengan. Hal-hal leutik ka hal-hal gedé.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6710", "text": "Udang rebon kaasup salah sahiji jenis udang anu gaduh ukuran alit. Udang rebon biasana didahar pas atos asak, tara didahar pas atah keneh, teu sapertos udang windu anu tos biasa didahar pas atah keneh. Udang rebon garing anu tos dipoe gaduh kandungan gizi nu langkung seeur tibatan udang rebon anu seger keneh. Udang rebon biasana sok dipasak janten abon, kurupuk, kasreng, atawa bisa oge dicampurkeun jeung sangu liwet supados aya rasa gurih na. Udang gaduh ukuran anu alit pisan, biasana panjangna ngan dua nepi tilu sentimeter, tapi gaduh kandungan gizi anu seeur pisan. Udang rebon lolobana cicing di pesisir atawa muara. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7656", "text": "Ngadangukeun saran ti konsumen tiasa janten salah sahiji cara supdos urang tiasa nyalametkeun bisnis urang anu rugi. Bisa wae bisnis urang rugi teh lantaran seeur jalmi anu kirang resep atawa urangna anu percaya diri teuing lamun barang dagangan urang teh alus, padahal mah anu ngarasakeunna mah anu meser, sanes urang. Teu aya rugina urang ngadangukeun saran ti konsumen jeung ngajadikeun eta janten bahan kanggo nyieun rencana bisnis urang ka hareupna. Da biasana mah anu sok ningalkakurangan urang mah batur, sanes diri urang sorangan. Biasana batur leuwih apal, mana anu kedah ditingkatkeun dina bisnis urang sangkan bisnis urang tiasa bangkit deui leuwih sae. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "176", "text": "Beberes imah emang nyieun cape, tapi hal ieu penting dilakukeun ngameh kasehatan bisa kajaga. Jadi bisa ngahindarkeun hama nu ngaganggu siga cucunguk, reungit, sireum, jeung beurit. Ngaberesihan imah minimal saminggu sakali, mulai ti ngumbah piring kotor atawa nyeuseuh kana mesin cuci. Sabari nungguan mesin cuci beres, bisa oge ngagawean nu sejen siga ngaberesihan kebul. Mulai na ti luhur ka handap, ku cara ngaberesihkeun lalangit, luhur lomari, jeung bagian handapna. Bereskeun oge barang-barang anu acak-acakan ka tempatna sewang-sewangan. Lamun barangna teu dibutuhkeun bisa dijual atawa didonasikeun. Ngepel oge kudu, tambahkeun cairan pemutih pakean kana cairan pel jang ngaleungitkeun kumah dina luhur lantai.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5318", "text": "Dzikir mangrupakeun salah sahiji kagiatan amalan ibadah nu ringan dilaksanakeun ku unggal muslimin jeung muslimat. Dzikir teh dilaksanakeunna tiasa iraha wae, dimana wae, jeung sabaraha wae. Tah, dina ngalaksanakeun kagiatan sapopoe, alangkah alusna mun diparengan ku dzikir jeung sholawat. Dzikir ieu teh tiasa ngamudahkeun sagala aspek kahirupan urang jeung ngalancarkeun rezeki urang. Penting pisan ieu dilaksanakeun sabab dina prak-prakan na oge teu hese jang teu riweuh dilaksanakeun. Dzikir teh dina raraga supaya urang sealu inget wae ka nu Maha Suci. Amalan nu paling ringan tapi pahala na gede teh nyaeta dzikir, sabab kauatanna dahsyat pisan. Dianjurkeun pisan unggal usik urang dzikir ka Gusti Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4530", "text": "Loba olahraga ekstrem anu bisa di lakukeun di indonesia salah sahijna panjat tebing , Panjat tebing mangrupikeun olahraga anu nangtang anu tiasa masihan sababaraha mangpaat pikeun kaséhatan fisik sareng mental. Lamun nu ges ngajaran olahraga panjat tebing ieu ges ngabuktikeun yén olahraga ieu tiasa ngirangan setrés sareng ningkatkeun stamina. Olahraga panjat tebing sabenerna lain olahraga anyar, olahraga ieu geus cukup terkenal jeung loba nu resepeun, bahkan olahraga ekstrem ieu pernah miluan di Asian games 2018 jung berhasil meunang medali emas. Sabenerna olahraga panjat tebing ieu asli na di lakukeun di alam terbuka dina tebing batu asli anu aya di gunung gunung atawa alam laina. Tapi makin kadieuna, olahraga ieu ges loba modifikasi, bahkan olahraga panjat tebing ieu ges di jieun di mall mall nu biasana di pake keur budak leutik. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2030", "text": "Seer manpaat nulis nu nyeuseup sapopoe renung-renung.Mungkin keur sabagean urang mah hese ngalenyepan pamahaman upama ukur ditepikeun ku lisan. Utamana pikeun anjeun anu jadi guru, tutor jeung sajabana, tangtu leuwih gampang kaharti lamun ngajelaskeun hiji masalah atawa masalah dina nulis. Ditambah ayeunamah aya seueur profesi anu leres-leres peryogi kaahlian nyerat sareng gaduh panghasilan anu ngajangjikeun. Siga pangarang bukuna sorangan anu bisa meunang royalti pikeun tiap terbitan (gumantung kasapukan wae), panulis koran/majalah, wartawan, penulis naskah film, copywriter, blogger, penerjemah jeung réa-réa deui. Sareng seueur deui mangpaat anu anjeun tiasa kéngingkeun ku hobi nyerat. Janten naon anu anjeun tunggu? Pikeun anjeun anu resep pisan nyerat, hayu urang seueur maca sareng latih kaahlian nyerat!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8639", "text": "Hiji poe, aya hiji awewe nu ngaranna Maya hariwang ngeunaan kaayaan kauanganana. Manehna ngarasa lamun aya kajadian nu teu disangka-sangka, saperti kaleungitan pagawean atawa gering, manehna bakal hese pikeun nyumponan kabutuhan. Maya mutuskeun pikeun nyetel dana darurat ku cara nyisihkeun bagian tina gajina unggal bulan. Anjeunna netepkeun tujuan pikeun ngahemat biaya hirup salami 6 bulan, kalayan ngitung sadaya biaya bulanan sapertos nyewa, listrik, cai, tuangeun sareng transportasi. Saatos sababaraha bulan nabung, Maya tiasa ngahontal tujuan dana darurat. Anjeunna ngarasa lega sareng tenang sabab anjeunna parantos nyiapkeun diri pikeun kamungkinan kajadian anu teu disangka-sangka di hareup. Ku nyieun dana darurat, Maya ngarasa leuwih tenang jeung percaya diri dina nyanghareupan mangsa nu bakal datang. Manehna oge ngarasa leuwih tanggung jawab jeung dewasa dina ngatur kauanganna, sarta ngahindarkeun beban kauangan anu kaleuleuwihan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4541", "text": " Kajadian cedera anu paling sering kajadian nyaeta cedera atawa kaseleo dina tuur. Sprains atawa kaseleo dina tuur mangrupakeun tipe paling umum tur umum cedera tina tuur . Hususna lamun latiha atawa olahraga na maén bal, maen voli, maen badminton, jeung jenis olah raga séjénna anu ngalakukeun kagiatan luluncatan kana tuur. Cedera ieu lumangsung alatan bagian sprained tina ligamén dina dengkul teh. Ligamén sorangan nyaéta jaringan konéktif anu miboga sipat fléksibel jeung fléksibel. jaringan ieu boga fungsi minangka liaison antara tulang dina sendi. Sacara umum, gejala tijalikeuh nyaéta nyeri dengkul nalika leumpang, bareuh, warna beureum di wewengkon nu keur sprained. Upami diurus leres, sprains bakal cageur gancang. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1607", "text": "Melak pepelakan nyaeta hiji kagiatan nu resep jeung mangpaat jang kahirupan jelema. Proses melak jeung ngarawat pepelakan teu ngan saukur mere kauntungan jang kasehatan jeung lingkungan, tapi oge bisa mere kapuasan sorangan. Melak bisa dilakukeun di lahan pertanian, kebon, kobon imah, atawa bisa wae di jero pot atawa wadah sejenna. Milih jenis pepelakan nu bener bisa ngatur lingkungan tumbuh optimal mangrupakeun konci keberhasilan dina melak pepelakan. Dina posesna, dibutuhkeun perawatan anu sae, siga nyebor sacara teratur, mere pupuk, motong, sarta merhatikeun kondisi cuaca jeung lingkungan di sabudureun. Salian eta, ngagunakeun bahan kimia kudu dilakukeun tapi kudu bijak jeung luyu kana aturan nu berlaku.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3", "text": "Seblak mangrupakeun salah sahiji jajanan khas Kota Bandung. Jajanan ieu hits di lingkungan nonoman. Rasa gurih nu tina rupa-rupa topping dicampur jeung kuah nu lada. Topping-topping na oge rupa-rupa, aya kurupuk, endog, sosis, otak-otak, makaroni, kwetiau, tahu, ceker hayam, jeung sajabana. Aya dua jenis seblak nyaeta seblak garing jeung seblak baseuh. Seblak garing mah nyaeta kurupuk anu lada. Lamun seblak baseuh mah kabagi deui aya seblak makaroni, seblak ceker hayam, seblak tulang hayam jeung sajabana gumantung kana kahayang anu meulina. Biasana tingkat lada na oge rupa-rupa, aya ti level 0 nepi level 5. Beuki luhur level na beuki lada karasana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4477", "text": "Yoga nyaeta salah sahiji olahraga anu mulai loba di lirik jeung di pika reseup ku loba batur. Yoga kaasup kana olahraga anu ringan teu beurat tapi efektif keur kasehatan, ngabakar leumak jeung yoga bisa mere ketenangan leuwih da dina olahraga yoga urang bisa bari meditasi keur nenangkeun diri nenangkeun pikiran. Yoga bis di lakukeun dimana wae jeung wayah kumaha wae. Yoga sabenerna kudu di pelajari ku milu latihan yoga ka pengajar yoga tapi jaman ayeuna urang bisa latihan yoga ningali tinu internet nonton dina youtube. Yoga oge jadi salah sahiji olahragaa anu di pikareseup ku urang soalna yoga teu ngaluarkkeun loba tanaga teu kudu lulumpatan, teu kudud ajrut ajrutan tapi bisa pisan ngaluarkeun kesang", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6788", "text": "Dina jaman pandemi urang leuwih seeur nyeepkeun waktos di kamar sorangan. Janten biasana sok gampang bosen upami kamar na kitu-kitu wae. Matak abdi mah sok ngaberesan kamar teras ngadekor kamar sorangan. Biasana lamun robah posisi kasur, lomari, meja, jeung barang-barang gede anu aya di kamar sok janten suasana anyar. Abdi resep ngacet kamar sorangan atawa masang walpaper anyar. Ngadekor kamar sabenerna sami wae sareng ngaberesan kamar, ngaluarkeun barang-barang anu tos teu kapake. Kadang-kadang oge sok nimu barang anu tos lami leungit. Lamun kamar tos didekor biasana urang bakal langkung betah di cicing lila kamar lantaran siga datang ka tempat anyar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "162", "text": "Napak Sancang mangrupakeun restoran anu aya di tengah-tengah situ. Ti lapang parkiran ge geus katingali restoran eta teh. Cara ka tengah situ na, urang kudu naek parahu, parahu na geus disadiakeun ku nu boga restoran. Samemeh naek parahu, urang bakal ngaliwatan nu dagang di gigir situ, aya nu jualan sosis, minuman botol, nepika oleh-oleh Bandung ge aya. Lantaran Napak Sancang tara sepi pengunjung, jadi sateuacan naek parahu pasti na ngantri heula jeung nu sejen. Tapi rek pinuh atawa henteu na parahu biasana sok langsung berangkat. Sora mesin parahu mulai kadenge ti kajauhan nu rek ngajemput arurang. Nepi ka tempat na, urang disuguhkeun ku spot-spot foto, tempatna oge cukup Instagramable. Tempat diukna aya nu lesehan, aya nu make bangku. Di tengah-tengah resto na, aya lauk-lauk biasana lamun sangu na teu beak sok diparabkeun ka lauk-lauk eta.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6120", "text": "Nu namina icalan mah pasti aya untung jeung rugina. Mun nuju untung nya tiasa seueur panghasilanna, kitu oge sabalikna. Mun nuju rugi ge kudu dileukeunan. Kantos abdi ngaraosan rugi basa icalan. Harita tina sadaya produk abdi, teu aya nu laku hiji-hiji acan. Dugi ka produkna hampir basi, nya entos we ku abdi dipasihkeun ka rerencangan, dibagi rata hiji ewang. Abdi ngarasa sedih sabab teu tiasa balik modal, tapi mikir deui yen hikmahna teh abdi janten tiasa sedekah ka rerencangan lewat produk abdi. Enjingna abdi teu nyerah, sugan we aya keneh rezekina dina produk abdi. Tuluy we lajengkeun icalanna ku yakin yen isukan bakal leuwih hade ti ayeuna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "470", "text": "Ajaran agama Islam nu paling ku urang inget nyaeta ngadegkeun sholat. Lantaran sholat teh tihangna agama. Jadi misal mun ngadirikeun tenda jang kemah urang kudu masang tihang di sababaraha juru ngameh tendana ajeg henteu babari kabawa ku angin atawa babari runtuh. Tah sholat ge kitu, mun diibaratkeun tenda mah, tihang tenda teh sholat. Ari sholat teh kudu lima waktu, jadi kabayang lamun henteu sholat si tihang teh babari runtuh teu kuateun. Kudu dijaga pisan sholat komo jang kaum muslim mah, sabab sholat teh bisa nulungan urang engke di akherat. Lamun ceuk hadist mah teu sholat sakali oge siksaanna bisa sataun akherat. Sedengkeun itungan sapoe diakherat teh sarua jeung sataun di dunya.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2697", "text": "Rock Climbing jeung kuring jenis boga hubungan hate cinta. Hate sabab nanjak ngabuang tanaga sareng émosi Abdi resep sabab panjat tebing masihan kuring sensasi anéh anu teu acan kantos dirasakeun sateuacanna, sensasi anu nahan maot. Sababaraha kajadian gélo ogé geus lumangsung nalika kuring naek. Salah sahijina nya éta kajadian di handap. Waktu harita abdi teh pendaki anu kahiji, tos dugi ka pitch (kerung di gawir anu tiasa diuk kitu) kedah ngabelaan pendaki anu saterasna, margi abdi tos cape.. janten nalika pendaki anu kadua murag. dituturkeun sapanjang kalawan ngageser ka handap lamun kabeneran kaamanan kuring dijieun kuat. Henteu aya anu lepat sareng anu naék di handap, meureun rada scuffed. Tapi kuring ceurik ceurik sanggeus sadar kuring kakara ngabahayakeun kahirupan jalma. Kabiasaan kuring nungkulan gugup sareng sieun nyaéta ngajerit dina luhureun bayah kuring. Jadi saenggeus ceurik kuring ngajerit sekencang-kencangna sok dibarengan ku sumpah-sumpah teuing wkwk", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "54", "text": "Tingkat rasa dahareun nu ku urang pikaresep, nyaeta lada, asin, amis. Lamun cemilan urang leuwih resep nu asin, sabab rasa na teu pernah bosen. Salah sahiji cemilan asin nu urang pikaresep nyaeta kiripik sampeu. Aya salah sahiji langganan urang, nyaeta di Jalan Kemuning hareupeun toko kue Prima Rasa. Ngaran toko na teh Sari Milo. Ceuk urang, kiripik sampeu didieu ipis, jadi henteu teuas pas digayem. Bumbu na oge pas teu kaasinan. Sari Milo ieu ngajualan cemilan nu lainna oge, aya amis, asin, lada, nu meuli dibebaskeun jang ngarasaan tiap-tiap cemilan nu dijual sacara haratis. Jadi bisa nangtukeun mana wae nu ngeunah jeung nu rek dibeuli. Nepika urang ngirim kiripik sampeu ieu ka babaturan urang nu di Jakarta, kubakat urang ngarekomendasikeun kiripik sampeu Sari Milo.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4221", "text": "Klewang nyaeta senjata tradisional nusa tenggara wetan anu wangunna siga pedang. Klewang nyaeta pedang anu panjang sarta langsing sabeulah sisina tunggal jeung ujung runcing. Klewang dilengkepan ku sarung tina kai. Klewang dipercaya asalna ti wewengkon karajaan wehali anu perenahna di beulah kidul belu, nusa tenggara timur. Kelewang aya dua rupa, nyaeta samara kelewang surik jeung surik kelewang jeung naruk surik kelewang. Kelewang surik naruk mangrupa kelewang anu mindeng dipake ku masarakat nusa tenggara timur dina kagiatan sapopoe saperti ngebon jeung moro. Gagang jeung sarung surik naruk dijieunna tina kai anu teu diukir. Kelewang surik samara mangrupa kelewang husus anu dianggap pusaka ku masarakat belu. Gagang jeung sarung kelewang surik samara dijieun tina kai anu diukir motif has belu. Kelewang surik samara teu tiasa dianggo ku saha wae, ngan ukur pamimpin adat anu ngagaduhan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1915", "text": "Senen kamari, kuring jeung bapa jeung indung kuring di kebon imah. Kuring melak tomat sabab kuring resep pisan kana warna anu éndah nalika aranjeunna ngahasilkeun buah. Kuring melak tomat dina pot anu henteu ageung teuing. Sateuacan penanaman, pot parantos dipasihan taneuh sareng pupuk supados tomat tiasa mekar. Sanggeus éta, kuring rutin miara tomat. Anjeun ngalakukeun ieu ku nyiram sacara teratur sareng ngantepkeun sinar panonpoé anu cukup. Salian ti melak mawar, kuring ogé melak cabé. Kuring melak siki cabe dina pot anu ukuranana henteu ageung teuing. Kawas pot tomat, pot cabe geus dibere pupuk jeung taneuh heula. Perawatan pepelakan cabe rada béda sareng mawar. Kusabab pepelakan cabe teu kedah sering disiram supados akarna henteu rot. Kuring ogé ngurus pepelakan cabe ku ngantepkeun aranjeunna nampi cukup sinar panonpoé.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3552", "text": "Tips kanggo nyetel dana darurat\nMimitina, tangtosna, anjeun bakal sesah pikeun konsistén nyetél dana darurat. Utamana upami salami ieu anjeun henteu biasa nyimpen sareng ngatur kauangan anjeun kalayan leres. Sanaos kitu, éta sanés hartosna kahayang anjeun pikeun nyetél dana darurat henteu tiasa kalaksanakeun. Aya tip anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngawujudkeun kahayang ieu.\n1. Ngurangan pangaluaran bulanan\nNaha anjeun sadar atanapi henteu, anjeun tiasa overspending di daérah anu tangtu. Contona keur kaperluan dahar, atawa balanja.\nMertimbangkeun motong deui kabiasaan. Ku cara éta, anjeun tiasa nyimpen artos anu dikaluarkeun supados tiasa dialokasikeun ka dana darurat.\n2. Sisihkeun saprak gajihan datang\nKawas tabungan atawa dana pangsiun, hal anu penting pikeun sisihkan paycheck Anjeun langsung jeung allocate eta. Ku cara éta, teu aya alesan gaji anjeun béak ku kituna anjeun henteu tiasa nyisihkeun artos kanggo dana darurat, khususna upami anjeun mimiti nyetél dana darurat.\nÉta sababaraha cara pikeun nyetél dana darurat anu anjeun tiasa latihan ti ayeuna. Teu aya anu nyangka anjeun ujug-ujug ngalaman kajadian anu teu pikaresepeun. Sanaos kitu, upami anjeun gaduh dana darurat, anjeun bakal salawasna siap pikeun sagala rupa kaayaan darurat anu tiasa kajantenan, leres", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2829", "text": "Saterusna, dosis radiasi éféktif sarua jeung populasi sabudeureun pembangkit listrik batubara téh 100 kali dibandingkeun jeung pembangkit listrik tenaga nuklir. Upami anjeun ngitung dosis radiasi per jalma di sakuriling pembangkit listrik tenaga batubara, dosisna bakal tilu kali langkung ageung tibatan dosis radiasi anu dikaluarkeun ku pembangkit listrik tenaga nuklir. Sabab teu dirancang (ogé pembangkit listrik tenaga nuklir) pikeun nanganan runtah radioaktif. Pembangkit listrik tenaga nuklir mangrupa hiji-hijina anu ngahasilkeun runtah anu kacida pentingna stratégisna sabab runtah (plutonium) bisa dihasilkeun jadi pakarang nuklir. Sabab geus jadi peraturan internasional (IAEA) yen runtah ti pembangkit listrik tenaga nuklir kudu dipulangkeun deui ka nagara penghasil BBM. Contona, Indonesia ngawangun pembangkit listrik tenaga nuklir, jeung meuli BBM na ti Rusia atawa AS, sanggeus prosés ngaduruk réngsé, runtah kudu dipulangkeun ka nagara asalna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "947", "text": "Aya carana ngameh mesin cuci awet jeung teu babarian ruksak. Nu kahiji ulah loba make detergen, gunakeun detergen sacukupna sabab mun busana beuki loba, kalakah bisa nyocokan drainase jeung ngaruksak pakean. Nu kadua gunakeun detergen khusus mesin cuci, bedana teh nyaeta dina tingkat kalembutanna jeung kakuatan ngaleungitkeun kotoran jeung zat nu sejenna. Nu katilu pisahkeun pakean nu ukuranna leutik, sabab nu ukuranna leutik teh sok nyangsang dina jero tabung mesin cuci, siga kaos kaki. Nu kaopat ulah ngaleuwihan kapasitas mesin cuci, salian ti proses nyeuseuhna teu maksimal, oge nyieun umur mesin jadi beuki pendek. Nu terakhir mindeng ngaberesihkeun filter jeung tabung mesin cuci, minimal filter mesin cuci diberesihkeun 4 kali dina sataun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5480", "text": "Saha nu teu wawuh ka alat musik karinding, alat musik saderhana asal Jawa Barat. Karinding cara ngamaenkeunna nyaeta ku ditiup. Bahan karinding dijieun tina awi nu geus dikeueuman salila sataun. Cara maenkeun alat musik karinding nu kahijinyaeta adekkeun ruas bagean tengah karinding kana baham nu rada ngabuka. Tuluy tepakan ujung ruas belah pangkatuhuna make hiji ramo nepi ka jarum karinding ngageter beraturan. Ujung pangkencana dicepeng oge supaya bisa nyaimbangkeun. Tah getaran nu dihasikeun tina jarum karinding teh bakal nyiptakeun sora nu diresonansi ku baham. Jadi, alunan musik nu dihasilkeun tina karinding teh dipengaruhi pisan ku baham, napas, jeung letah nu ngamaenkeun nana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5498", "text": "Salah sahiji kampung adat di daerah Subang nu masih keneh ngajaga tradisi jeung aturan adatna nyaeta kampung adat Banceuy. Kampung adat Banceuy lokasina di daerah Sanca, Ciater. Masyarakat adatna masih ngajaga pisan kana aturan adat jeung tradisina, teu jarang oge sok aya wisatawan atawa ahli nu kunjungan ka kampung ieu. Salah sahiji tokoh adatna nu aya keneh dugi ka ayeuna nyaeta Abah Ade. Ti mimitina pupuhu atawa tokoh adat di kampung Banceuy teh aya tujuh urang nu masih eksis dugi ka ayeuna. Anjeunna sering oge ngajalin silaturahmi ka instansi jeung organisasi sekitar lemburna supaya bisa koordinasi perihal kalestarian kampung adatna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4925", "text": "Hayam Santa Maria nyaeta salah sahiji hayam nu loba direview ku youtuber sabab rasana anu khas, teu kapanggih di nu tukang dagang sejen. Der we kami teh ngangge motor ka Cirebon bebelaan jang ngasaan eta hayam hungkul. Baang nepi ka Cirebon, eta waung teh karek buka, tapi antrian na geus aya dua puluh jelema mah. Walah, mana kami lapar mana kudu ngantri panjang. Singkatna geus nepi kana anterian kami, kai mesen hayam goreng hiji, sate kulit dua, jeung sate usus dua. Pas dicobian beuh rasana nikmat pisan, nu mantak khas na mah tina bumbu surundeng na. Can pernah kai manggih nu sangeunah kieu di warung sejen. Surundeng na semu hideung, aya rasa tarasian, jeung teung bumbu nan nu mantak beda kana rasana. Saberes nuang saporsi, kami pesen deui jang bawaeun ka imah. Geus beres babayar, kami langsung mulang deui ka imah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2010", "text": "salah sahiji kagiatan anu bisa dipigawé pikeun babaturan anu di sakola bari santai, bisa nginget-nginget naon anu geus diajar di sakola kiwari ku ngagolér bari nutup panon na, diatur ku napas teratur. biasana bakal aya gambar atanapi gambar anu kaluar tina alam bawah sadar urang pikeun sadaya kajadian dinten ayeuna, sareng rutin ieu tiasa dianggo pikeun ningkatkeun memori sareng diajar gancang sabab kuring parantos dilakukeun sareng nalika ujian, kuring ngan ukur nutup panon kuring sareng émut nalika guru ngajelaskeun materi tina soal ujian, sarta hasil soal-soal anu ku kuring karasa hese, ku kuring dijawab bener, sabab kuring ningali sacara jelas kajadian waktu harita, nepikeunana guru jeung lingkungan di kelas.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8009", "text": "Abdi teu resep pisan ka kadaharan nu ngarana terang bulan. Lain nanaon, ngan ieu kadaharan teh teu sihat pisan ari dipikir-pikir mah. Coba we tempo cara nyieunna, mimiti mentega sabalok dipanaskeun nika cair tur adonan martabak dipanaskeun. Adonanna teras ditambihan gula ngarah amis rasana. Nu nyieun teu sihat na teh toping atawa eusian nu dibere ka ieu kadaharan. Coklat, keju, kacang, susu, sagala rupa nu araramis diasupkeun. Moal teu diabetes jelema nu ngadahar ieu kadaharan. Lain tina kadaharan hungkul nu nyieun teu sihat, nanging waktos ieu kadaharan diical. Ampir kabeh tukang dagang nu ngicalan terang bulan teh dagang na peuting, waktos dimana urang kudu eren ngadaharan gula sareng nu amis-amis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4025", "text": "Ti baheula urang resep pisan kanu ucing, urang sok ngingu ucing di imah nepika ayeuna. Nu ayeuna aya di imah mah ngan tilu, lalaki kabeh. Nu hiji warna na hideung jeung bodas buntutna panjang, umurna geus rek dua tahun keudeung deui. Ucing ieu teh titipan ti nini urang anu geus maot, keur nini urang hirup keneh jenatna ucing ieu teh di pika nyaah jeung osok sare bareng na kasur. Ngarana Tabby lucu pisan ngan icingeun, tapi mun kanu dahareun mah segut kacida. Ucing anu kadua warna hideung, pokona hideung sa awak-awak nepika teu katempo mun keur nyumput di kolong korsi. Di ngaranan ucrit ku si bapak, unggal peuting teh gandeng sok kekeretek ka panto kamar, tapi mun geus di bere dahar ge angger gandeng. Ngan ucing ieu mah bager tara hayang kaluar imah, sok ngajentul weh di lawang panto. Ucing anu katilu warna na oren, awak na kurus pisan jiga tara di bere dahar padahal dahar wae. Ucing anu ieu mah anyaran si bapak manggih di hareup imah deket pager, karunya jigana aya nu miceun soalna orok keneh matana ge can muka. Jadi weh di urusanan ku urang jeung kolot di imah, sok di bere dahar isuk, beurang, jeung peuting. Sok di ajak heureuy, jeung sok di mandian saminggu tilu kali. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3962", "text": "Taman Air Mancur Sri Baduga mangrupa tempat wisata anu menarik anu bisa dijadikeun tempat tujuan wisata di Purwakarta, Jawa Barat. Destinasi wisata Taman Air Mancur Sri Baduga nampilkeun kaéndahan anu bakal manjakeun panon nu ningalina. Salian ti ngarasakeun kaéndahan pancuran air nu nari nari tina cai mancur, Anjeun ogé bisa ngarasakeun nikmatna jalan jalan ka taman air macur sri baduga make béaya rendah. Anjeun ngan perlu mayar tiket parkir atawa restibusi mun erek ningali air mancur taman sri baduga. Biasan taman air mancur sri baduga rame na keur peuting loba wisatawan anu boga ka tujuan Taman Air Mancur Sri Baduga keur nonton atraksi air mancurna. Seueur wisatawa nu datang ka purwakarta kanggo ngamangpaatkeun waktos liburan anjeun di Purwakarta.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "137", "text": "Hotel Kartel Bandung anu aya di Jl. Ir. H. Juanda. Hotel ieu beda jeung umumna hotel, sabab di hotel ieu bisa mondok 24 jam. Jadi misalna check in jam 8 peuting, check out na oge jam 8 peuting. Hotelna estetik, lokasina oge sejuk. Kamarna luas jeung unik pisan, jadi tiap kamarna teh boga tema anu beda-beda. Fasilitas di jero kamarna oge lengkep, aya sofa jeung TV na cukup gede. Cocok jang liburan bareng kulawarga atawa jeung babaturan. Kamar mandina geus aya cai panasna. Lain ngan ukur hotel jeung kamarna nu estetik, didieu ge aya rooftop anu alus pisan bisa dipake dahar sabari ninggali pamandangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5399", "text": "Salah sahiji upacara kaagamaan umat Buddha nyaeta upacara Puja Bakti. Upacara Puja Bakti dilaksanakeun di unggal hari besar agama Buddha. Salah sahiji nu terkenal nyaeta Upacara Pattidana. Upacara kaagamaan ieu mangrupakeun bentuk pelimpahan jasa dina raraga ngadoakeun arwah leluhur supaya dipaparin kabaikan jeung kadamaian dina kahirupan di alamna. Upacara Pattidana teh dilaksanakeunna dina raraga nyabut Hari Raya Waisak. Di Indonesia, upacara kaagamaan ieu dilaksanakeun na di pulau Bali. Upacara Pattidana dilaksanakeunna di Vihara, pamujaan na ngangge dupa jeung lilin sebagai simbol kahormatan ka leluhur. Salian upacara Pattidana, seueur oge upacara Puja Bakti lainna, misal dina hari raya Uposatha, Kathina, Waisak, jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8106", "text": "Aya hiji laptop merek Lenovo nu kelasna entry level nanging kualitasna lain heureuy. Lenovo ideapad slim 3i gaduh babaraha fitur nu tiasa diunggulkeun. Prosesorna Intel Core generasi 10 janten tiasa ngalakukeun tugas nu seueur. Bezel di kenca sareng katuhu sempit janten mere kesan layarna leuwih lebar sareng leuwih resik. Speakerna make speaker Dolby Audio janten suara nu dihasilkeun jentre sareng bersih arek keur nonton video, streaming musik, atanapi video call-an. Soal privasi sareng kaamanan ieu laptop oge lumayan hade, aya fitur rana webcam nu tiasa urang anggo nutupan webcam dina laptop. Laptop ieu oge tiasa digentosan mode damelna, aya Mode Max tur Mode Stealth.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7048", "text": "Ngapalkeun Al-Qur'an mangrupakeun salah sahiji amalan anu dianjurkeun di Islam. Malaikat kacida kagum pisan ka jalma-jalma anu ngapalkeun Al-Qur’an, nepi ka malaikat oge paboro-boro merjuangkeun kamulyaan ka Nu Maha Kawasa ngaliwatan perantara jalma-jalma anu apal Al-Qur’an. Disebutkeun upami urang tiasa ngapal Al-Qur'an urang tiasa masihan mahkota ka para sepuh urang di syurga. Muraja'ah nyaeta pangulangan, dina buku 9 lengkah gampang ngapalkeun Al-Qur’an diterangkeun yen muraja’ah anu terus-terusan bakal nguatkeun hafalan, muraja’ah anu terus-terusan leuwih penting batan ngapalkeun deui hapalan anu anyar, muraja’ah anu terus-terusan eta sajatina anu janten hakekat ngapalkeun. Saha-saha wae anu ngapalkeun Al Qur'an saleresna, manehna bakal terang pisan yen lamun manehna henteu maca muraja’ah terus-terusan mangka hafalanna bakalan leungit.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7940", "text": "Lantaran tos kajadian sababaraha bencana di Indonesia, utamana lini. Ayeuna tos mulai seeur anu masihan apal resiko bencana di Indonesia. Aya sabaraha panaliti anu masihan apal urang resiko bencana lini di Indonesia. Masih keneh seeur jalmi di Indonesia anu teu paham kana kamungkinan kondisi bencana di Indonesia. Seeur keneh jalmi anu mikir yen bencana mah moal ngadatangan manehna padahal eta teh tiasa dikurangan resikona. Contohna urang tiasa nyiapkeun tas kanggo nyanghareupan bencana supados pas bencana datang teh urang tos aya persiapan. Resiko anu ditimbulkeun tina bencana teh lain hereuy gedena, matak leuwih sae lamun urang tiasa nyegah ti mimiti. Ulah pasrah pisan lamun aya bencana. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2769", "text": "Ayeuna di era 2022 geus lumangsung parobahan badag di masarakat, millennial jeung generasi ngora geus ngalaman parobahan kabiasaan masarakat pikeun néangan hiburan, millennials jeung nonoman anu. Cenderung haus informasi jeung aktif di media sosial bener-bener ninggalkeun acara TV anu cenderung bosen sabab kabeh programna dieusi ku jalma anu sarua, acarana ampir sarua ditambahan ku stasion TV anu milu politik nyadiakeun informasi pikeun mingpin. pamadegan sangkan aya rasa teu percaya masarakat kana informasi anu ditepikeun ku acara TV. Generasi milenial jeung nonoman kiwari leuwih resep néangan hiburan jeung informasi ngaliwatan internet sabab miboga kaunggulan leuwih mobile, praktis, bisa manggihan informasi tina rupa-rupa sumber nurutkeun kahayang maranéhanana, jadi lamun cinta Jokowi, ngan lalajo Jokowi jeung Algoritma bakal nungtun anjeun ka sababaraha sumber, upami anjeun resep ningali TV Cokro dina youtube nya bakal diarahkeun ka dinya weh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8649", "text": "Kahirupan tatangga tiasa masihan seueur kabagjaan sareng kauntungan dina kahirupan urang. Babaturan jalma anu hade tiasa ngabantosan urang ngawangun jaringan sosial anu kuat sareng mangpaat. Urang tiasa tukeur ide, pangalaman sareng pangaweruh sareng tatangga urang sareng ngalegaan jaringan sosial. Jalma-jalma anu hade tatangga oge tiasa ngabantosan urang dina kaayaan darurat, sapertos konci leungit, kahuruan atanapi kacilakaan. Tatangga anu hade tiasa ngabantosan urang dina kaayaan sapertos kitu sareng nyayogikeun bantosan anu diperyogikeun. Tatangga jeung jalma alus bisa nyadiakeun rasa aman tur kanyamanan dina kahirupan urang. Urang bisa silih awas jeung nguatkeun rasa aman jeung kanyamanan di sabudeureun urang. Jalma-jalma anu hade tatangga oge tiasa ngabantosan urang ngawangun sosobatan sareng hubungan anu caket sareng jalma-jalma di sabudeureun urang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1158", "text": "Cara sederhana ngameh sumanget tuluy gawe di kantor. Nu kahiji pastina urang kudu bahagia dina ngajalankeun pagawean kantoran ieu, sabenerna bahagia teh relatif gumantung ka jelemana, tapi bisa dicobaan ku misalna kantorna anu deukeut jeung pusat kuliner. Jadi aya tujuan nu sejen salian indit ngantor. Nu kadua biasana urang ngadesain meja sanyaman urang, minimal rapih ngarah katinggalina oge bisa leuwih jernih tibatan mun meja acak-acakan. Dina meja bisa neundeun foto kulawarga ngameh leuwih sumanget. Nu katilu penting oge nyaeta urang kudu istirahat mun geus ngarasa bosen atawa jenuh. Urang bisa ngopi atawa sarapan heula sakeudeung. Ieu katinggalina sepele tapi mibogaan dampak leuwih gede.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5486", "text": "Salah sahiji tarian asal Jawa Barat nu terkenal dugi ka kancah internasional nyaeta Tari Merak. Tari merak teh diciptakeun na ku Raden Tjetje Somantri. Anjeunna terinspirasi tina kaendahan manuk merak nu sok nembongkeun jangjangna supaya narik perhatian merak bikang. Pakean nu digunakeun dina tari merak nyaeta busana motif bulu merak nu ngagambarkeun kaendahannana. Tuluy aya mahkota nu dipake sabagai simbol kepala merak. Gerakan tarina teh diambil tina gerakan manuk merak jalu nu keur narik perhatian manuk merak bikang ku cara ngepakeun jangjangna, ku kituna ieu tarian biasana dilakukeun sapasang-sapasang. Tari merak biasana ditampilkeun dina raraga nyambut tamu, persembahan, oge dina pentas budaya dugi ka kancah internasional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9370", "text": "Lamun nikahan di lembur mah jam tilu teh panganten kudu geus hudang rek di dangdanan. Urang kulawarga besar oge kudu geus hudang ameh teu parebut jamban. Biasana amang-amang dekor meriksa panggung jeung kabel-kabel jang ngahurungkeun musik. Lamun panganten lalaki geus datang, urang sakulawarga teh kudu nyambut di hareupeun, bari ngalungkeun bunga ka panganten lalakina. Saanggeus akad jeung ngeusian surat nikah, urang sasalaman jeung panganten, biasana mah sok bari popotoan oge. Lamun di lembur mah ai aya hajatan teh sok ngundang sakampung, meuni loba pisan jalaman teh harita mah. Saanggeus eta karek urang teh makan-makan, lamun kuring jeung barudak nu sejen mah biasana kalah nyokotan jajananna, nu paling sering beak tiheula pasti zupa-zupa jeung es krimna.\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "438", "text": "Aya hiji lalaki nu umurna teh geus 24 taun jeung ninggali kaluar jendela kereta sabari ngajorowok, bapak tinggali tatangkalan ditukangeun urang! Bapana langsung seuri, tapi aya hiji pasangan nu diuk di deukeutna karunyaeun ninggali laku lampah lalaki eta masih siga budak leutik padahal umurna geus 24 taun. Pasangan eta tuluy teu bisa nahan diri jeung ngomong ka bapana anakna eta, Naha maneh teu mawa budak maneh ka dokter nu alus? Si bapa seuri tuluy ngomong, Urang geus ngalakukeun jeung ieu ge karek balik ti rumah sakit, budak urang teu ninggali ti orok keneh jeung manehna karek meunang panonna poe ieu. Pesan moralna ulah gancang boga prasangka jeung meunteun hiji hal lamun teu nyaho kanyataan ditukangna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2416", "text": "Kampung Adat Baduy mangrupa wewengkon anu masih nganut prinsip karuhun nepi ka kiwari. Ku lantaran kitu, masarakat jeung para wisatawan dipénta saluyu jeung aturan adat anu masih kénéh lumaku. Inpormasi ieu ditepikeun ku salah saurang tokoh adat Baduy Dalam, Ayah Mursyid. Anjeunna meredih ka saha waé anu bakal datang ka tanah adat masarakat adat ulah ngaruksak alam. Para sesepuh adat di tanah adat Baduy geus sapuk kana sababaraha larangan anu kudu dicumponan ku nu datang. Ieu demi ngajaga alam, sarta ngahindarkeun bencana. Sawatara hal anu kudu dicumponan nyaéta henteu miceun runtah, henteu neukteuk tatangkalan, henteu ngaruksak alam sarta ogé henteu ngidinan ngojay di Walungan Cibanten.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5846", "text": "Zaman baheula mah bentuk televisi teh kembung, lain jiga nu ayeuna. Disebutna teh katelah ku TV tabung. Dina mimiti kamunculan nana, acara TV teh ngan aya warna hideung jeung bodas hungkul, euweuh warna lain. Makin kadieu sairing perkembangan zaman, makin loba variasi warna dina layar televisina. Mimiti kemunculan televisi teh bentukna kandel, hareupna layar, tukangna tabung nu ngabendol nu eusina mesin televisina. Tah di handapeun layar teh sok aya tombol paranti ngatur on/off, tombol volume, jeing tombol jang mindahkeun channel televisina. Tuluy sisi kenca jeung katuhu na teh aya lobang speaker. Di luhur televisi na aya rongga udara nu nyambung kana mesin. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5502", "text": "Salah sahiji tokoh kampung adat Baduy nyaeta Ki Pulung, sasanduk ka pamarentah satempat sabab kalestarian alamna terancam. Suku Baduy teh ngagaduhan kapercayaan yen alam mangrupakeun sumber kahirupan nana, jadi kudu dijaga jeung dilestarikeun, ulah nepi ka dirusak. Harita, Gunung Liman di Kampung Baduy Dalam teh dirusak ku penambang emas ilegal jeung ku ilegal logging. Hal ieu berdampak pisan kana kahirupan suku Baduy Dalam. Anjeunna menta yen pamarentah ngeureunkeun eta nu ngarusak kalestarian alam Gunung Liman. Hal ieu teh dianggap ancaman bahaya jang suku Baduy Dalam. Ku kituna, yuk urang ge ngajaga kalestarian Baduy Dalam mun kunjungan ku cara matuhi sagala aturan tradisi adatna!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4737", "text": "Trend balanja jaman ayeuna geus kageser, biasana baheua urang leuwih resep balanja langsung ka pasar atawa ka toko jaman ayeuna mah batur leuwih resep balanja sacara online di imah kusabab hoeam, mimitina ieu teh kajadian kusabab dampak ti pandemi urang teu bisa kukumaha jeung kamana mana anu akhirna ngajadikeun kabiasaan nepi ka ayeuna lamun urang hayang na balanja di imah kusabab leuwih praktis oge, nah ti dinya panjual oge kudu barobah milu kana parmentaan pasar, otomati spanjual oge kudu pindah ka dagang online, dagang online ieu jelas leuwih boga loba mangfaat nyaeta bisa di pigawe ti mana wae, bisa di gawe jualan na ti imah hungkul.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "459", "text": "Pas poean lebaran, umat muslim identik jeung ngarayekeun barengan kulawarga oge dulur-dulur. Silaturahmi aya kaitanna jeung poe lebaran sabab bisa silih ngahampura jeung panggih kulawarga nu geus lila teu panggih. Aya sababaraha mangpaat tina silaturahmi. Nu kahiji, ngaraketkeun tali duduluran, ku cara kumpul jeung kulawarga urang bisa ngaraketkeun tali duduluran. Nu kadua ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, silaturahmi mangrupakeun hiji parentah ti Allah SWT ka tiap hamba-Na. Nu katilu, ngalegakeun rezeki. Nu kaopat, kenal jeung anggota kulawarga anu anyar. Dina sataun pasti loba kajadian nu teu disadaran siga kawinan atawa orokan. Ieu waktuna jang ngalegakeun koneksi antara duduluran ku cara datang ka imah dulur atawa tatangga.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2714", "text": "Pertandingan maén bal anu meriah sering dibarengan ku paripolah suporter anu teu sopan anu émosional sareng nyababkeun huru-hara salami pertandingan. Teu saeutik kasus karusuhan ngabalukarkeun suporter, panitia, panitia, aparat kaamanan, jeung saterusna ngalaman tatu, malah maot. Ieu perlu meunang perhatian husus ti loba pihak patali, pikeun nyegah atawa ngaleutikan kajadian goréng lumangsung deui dina mangsa nu bakal datang.\nAhli sosiologi, Mohammad Ghofur S.Sos, M.Sc nétélakeun, sabenerna ngeunaan masalah karusuhan atawa karusuhan anu lumangsung boh antara suporter, boh antara suporter-penyelenggara, jeung saterusna dina mangsa pertandingan, loba cara anu bisa dilaksanakeun luyu jeung eta kajadian.\nSanajan kitu, Ghofur, anu ogé panitén ogé fans maén bal nasional, ngajelaskeun, sacara umum, anu biasana lumangsung nepi ka ayeuna, nyaéta lamun aya karusuhan antara suporter atawa suporter jeung panitia, cara nungkulan éta. paling mindeng dipigawé nyaéta", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6621", "text": "Dumasar kana Pasal 20 Rancangan Undang-Undang Larangan Minuman Beralkohol, saha wae jalmi anu ngaleeut alkohol bakalan dihikum paling sakedik tujuh bulan atawa paling seeur dua tahun, sareng denda minimal paling sakedik sapuluh juta, paling seeur lima puluh juta. Arurang kedah ati-ati upami bade barang dahar, teu meunang sangeunahna, komo alkohol gaduh seeur pisan sumber panyawat. Biasana jalmi anu ngaleeut alkohol sok janten mabok, teu tiasa mikir, boro-boro mikir mapah wae oge sesah, ngomong kamana wae. Kementrian kesehatan oge tos masihan terang sapuluh bahaya minuman alkohol nyeta ngaruksak syaraf, gangguan jantung, ngaganggu metabolisme awak, ngaganggu sistem reproduksi, nurunkeun kacerdasan, nurunkeun beurat awak, ngaganggu fungsi hate, nyebabkeun tekanan darah tinggi, sareng nyebabkeun jalmi hirupna janten sakedap.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2431", "text": "Wajit sorangan nyaéta kadaharan atawa jajanan has Cililin Bandung Responsible. Kadaharan ieu saleresna aya di daerah Jawa Tengah anu namina berlian, tapi anu ngabedakeun wajit sareng inten nyaeta bungkusna: Ieu resep atanapi cara ngadamel wajit.\r\nLéngkah-léngkah Cara Nyiapkeun Wajit Cililin: Kulub béas ketan kira-kira 2 jam, tuluy solokan.\r\nKukus béas ketan kira-kira 30 menit, sabada dicabut.\r\nKulub santan babarengan, gula, gula beureum, daun pandan jeung uyah, aduk nepi ka rata tuluy disaring.\r\nSanggeus éta, masak deui sarta nempatkeun ketan dina api leutik bari diaduk nepi ka campuran asak, coklat jeung minyak.\r\nLamun geus asak, piceun adonan sarta ngantep eta rada tiis.\r\nLajeng tuang satengah séndok adonan kana daun jagong garing anu geus potong buah, lajeng bungkus tur nyimpen.\r\nAnu pamungkas nyaéta wajit ngagaringkeun nepi ka rada garing sarta rada teuas. coba teu teuas teuing", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1868", "text": "Sugan aya nu apal kana jajanan odading, harita mah tatangga meuli roti goreng nu rada jauh ti tempat urang cicing cenah rasa coklat jeung pandan nu pang alusna, jadi panasaran! sabab roti goreng ieu rasana variatif, aya rasa coklat, pandan, strawberry, blueberry jsb. najan sabenerna mah teu resep kana odading, meureun ieu teh bisa nyieun kuring resep odading, tuluy panasaran we indit meuli odading cenah. kurang leuwih 25 menit perjalanan. Sigana menarik tapi kuring henteu terang rasana, teras kuring balik ka bumi teu sabar pikeun ngahakan. Tatangga urang teu pernah ngadahar roti siga kieu, emang ngeunah, tambah teu resep kanu aranana odading.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9585", "text": "Sangu goréng mangrupa salah sahiji kadaharan anu mindeng kapanggih di sabudeureun urang. Kadaharan anu bahan dasarna tina sangu nu digoreng ieu jadi kadaharan khas nu aya di wewengkon Indonésia. Disajikeun dina rupa-rupa rasa anu bisa disaluyukeun jeung kahayang konsumén. Seungitna bungbu sangu goreng bisa ngajadikeun saha baé anu ngambeu kagoda ku kadaharan ieu. Sangu Goréng umumna miboga warna coklat has tina kecap, tapi aya ogé nu boga warna séjén saluyu jeung kréativitas anu masakna. Kiwari aya sababaraha padagang anu nyieun karakter anyar dina warna sangu, aya nu konéng, bungur, beureum jeung sajabana. Sangu goréng biasana disajikeun bareng jeung endog, daging, jeung rupa-rupa sayuran saperti tomat jeung bonténg.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3899", "text": "Tukang masak atawa koki atawa chef salah sahiji pagawean anu butuh pisan kakuatan fisik, soalna di gawe tukang masak komo di nu hajatan bisa 2 poe atawa 3 poe non stop masak jadi sering na teu bisa sare. Nya kumaha rek sare keur nyiapkeun acara komo acara gede pesta kitu pasti butuh persiapan mateng. Mulai di gawena tukang masak oge ti peuting keur nyiapkeun masakan atawa dahareun isukna keur acara. Kudu di gawe ngalawan tunduh kudu tetep fokus masak tengah peuting teh pasti teu babari soalna waktu na istirahat ieu masak jaba kudu teliti pisan jeung kudu butuh tanaga gede. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4566", "text": "Lamun maen games urang boga games anu di pikaresep, urang teu resep jeung teu ngarti games atawa permainan perangperangan jeung tempak tembakan urang resepna permainan atawa game soal bercocok tanam, ngebon nyaeta games hay day. Games Hay Day ngajieun urang asa jadi loba lahan kebon jeung sawah anu luas. Urang oge jadi bisa ngarasakeun ngurusanan lahan sagede gede kitu anu amun di dunia nyata jaman ayeuna hararese lamun hayang ngajaran nguruskeun sawah jeung kebon. Games hay day ka asup games anu edukatif jeung cocok komo keur budak leutik, games hay day loba ngajarkeun pangajaran anu bener daripada games atawa permainan an eusi na peperangan siga nu keur loba di pikaresep.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1182", "text": "Ku majuna jaman, jadi ngababarikeun sagala aspek, kaasup dina segi jualan. Ayeuna mah jualan geus teu kudu boga toko atawa tempat jang jualan, ku cicing di imah ge geus cukup. Urang bisa jualan sagala rupa barang-barang atawa kadaharan di online. Rek barang anu masih gress atawa barang anu urut pake, biasana loba dipanggihan di online. Cakupanna anu lega sakabeh Indonesia jadina barang nu rek urang jual pastina leuwih babari mun aya batur nu keur neangan barang nu sarua. Urang oge bisa ngobrol jeung calon pelanggan anu nanya-nanya ngarah barang nu bakal dikirim henteu salah. Jadi sanajan online tapi masih aya interaksi antara nu meuli jeung nu ngajual.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8906", "text": "Aya sababaraha léngkah dina ngagunakeun kompor listrik. Kahiji, pastikeun yén imah urang boga cukup énergi listrik pikeun ngagunakeun kompor listrik. Pilari kompor listrik anu kakuatanana saluyu sareng kapasitas tanaga listrik di bumi. Biasana, sarat kakuatan pikeun kompor listrik sakitar 700 dugi ka 2000 watt. Kadua, mimitian ngahurungkeun kompor listrik. Cara pikeun ngahurungkeun kompor listrik nyaéta nyambungkeun colokan ka stop kontak pangcaketna, jadi sahenteuna nyadiakeun stop kontak di dapur. Sanggeus éta, anjeun bisa langsung ngahurungkeun on / off tombol anu aya dina kompor listrik. Engké, sanggeus tombol dipencet, listrik bakal mimiti ngalir ka kompor sarta bisa langsung dipaké pikeun masak. Katilu, pilih mode numutkeun jinis masak. Ampir kabéh kompor listrik boga setelan suhu pikeun masak kadaharan, jadi Anjeun bisa nyaluyukeun eta supados dahareun teu kaduruk. Tungtungna, setel panginget waktos supados urang teu hilap nalika masak.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3076", "text": "Ngarasakeun unggal léngkah. Ti kapungkur aya nu naroskeun di DM tentang produk simkuring, bingah pisan (padahal teu acan ngagaleuh), dugi ka ayeuna tos biasa ngabales chat, malah hosting oge teu kunanaon, masih keneh aya pelanggan sanes. :))\r\n\r\nAbdi ngajual online sareng Doi, urang duaan mahasiswa semester 4 waktos éta (Agustus 2020 -salila pandémik) dugi ka ayeuna urang gaduh smstr 8 (-nulis skripsi).\r\n\r\nDi dieu kuring ti SMA biasa balanja online, ti mimiti meuli via BBM, Line@, Instagram, nepi ka Shopee. Janten kuring gaduh pangalaman salaku palanggan.\r\n\r\nJanten Doi sabalikna, anjeunna henteu terang kumaha ngalakukeunana. Janten urang ngabagi tugas.\r\n\r\nProduk anu kami jual nyaéta Chino Shorts, ieu bisnis kulawarga Doi, anu dijual sacara grosir di Tanah Abang, biasana ngajual offline (aya toko). Janten Doi ngartos produkna nyalira sareng parantos ngartos dunya calana. Dimimitian ti bahan, warna dina pasaran, ukuran, jeung sajabana, doi master. Samentara éta, kuring ngajarkeun anjeunna dunya balanja online.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "101", "text": "Basa poe Jumaah urang jeung Irhash ka Situ Patenggang naek motor ti Kota Bandung. Urang indit isuk-isuk da keur eta cuacana rada mendung. Di perjalanan arah Ciwidey, urang mampir heula meuli kupat tahu da acan sarapan pisan. Lajeng indit deui ka tujuan. Jarak ti Kota Bandung ka Situ Patenggang 50km. Mun kana motor bisa nepi 2 jam an. Geus nepi ditu, tempatna rada sepi teuing pedah poe biasa henteu poe libur. Aya rupa-rupa wahana, siga golesat circuit, jembatan panjang ti luhur danau, parahu, jeung restoran nu bentukna nyarupaan parahu gede. Hanjakalna sababaraha wahana teu bisa dipake kusabab keur di renovasi. Contona golesat circuitt, jembatan panjang, jeung jaring laba-laba nu keur dibangun keneh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9422", "text": "Palayan restoran mangrupikeun salah sahiji padamelan anu aya hubunganana sareng industri jasa kuliner. Palayan restoran miboga tanggung jawab pikeun nganteurkeun tuangeun sareng inuman ka meja palanggan, oge ngawalon patarosan palanggan ngeunaan ménu sareng masihan informasi ngeunaan menu anu paling jadi rekomendasi jeung cocok kanggo pelangganna. Palayan restoran atawa pramusaji oge kudu mastikeun yen konsumen ngarasa nyaman jeung oge dilayanan ku cara anu paling sae di restoran. Palayan restoran merlukeun kaahlian komunikasi anu alus, kitu oge kamampuhan pikeun ngatur waktu jeung gawe bareng timna. Palayan restoran oge kedah gaduh kamampuan pikeun nanganan kaayaan anu tiasa kajantenan nu di luar prediksi, sapertos keluhan pelanggan atanapi pamundut anu teu kaduga. Padamelan ieu oge butuh jalma anu ngagaduhan kapribadian ramah sareng sopan sarta mampu didamel dina tekenan sabab restoran kaasup lingkungan anu sibuk.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "24", "text": "Endog emang mibogaan gizi anu tinggi, rasana anu ngeunah jeung babari diolah na oge. Tinggal digoreng jadi endog dadar atawa diceplok geus bisa langsung di dahar tinggal make sangu jeung saos. Tapi kuring mah sok bosen lamun endog ngan diceplok atau dadar. Biasana kuring sok ditambahkeun jeung mie, jadi siga pizza bentukna. Salian teu bosen, rasana jadi leuwih kaya. Komo deui ditambahan saos beuki ngeunah pisan. Carana endog tong langsung di kana katelkeun, tapi di ceplokeun heula kana mangkok. Saenggeus kitu mie na dibubukeun heula nepi ka lemes. dicampurkeun weh kana mangkok nu aya eusian endog. Ulah poho oge bumbu mie ditambahkeun kana campuran endog jeung mie. Geus kitu mah tinggal digoreng siga biasana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4740", "text": "Tiktok shop ayeuna teh apliksi anu keur rame di omongkeun jeung di pake ku batur keur balanja hususn produk produk fashion. Kabeh jelema bisa milu gabung tiktok shop jeung bsa mulai dagang. Jeung deui lamun di tiktokshop urang teu kudu boga modal jeung boga barang na lamun erek dagang. aya fitur di tiktok nyaeta tiktok affiliate. Tiktok afflliate ieu teh ngamungkin keun urang meunag panghasilan dagang meski ngan di imah padahal uarang teu boga modal, urang nga perlu daftar terud bisa kerja sama jeung toko baju na tuluy biasana sok di kirim sample ku toko bajuna gratis keur urang jual di akun urang jadi lamun aya anu meuli uang bakal meunang komisi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7964", "text": "Tos hampir saminggon abdi nyobian mondok di hiji desa, suasana na teh genah pisan. Isuk-isuk keneh hudang langsung disambut ku cuaca anu sejuk pisan. Biasana ti subuh keneh tos aya ibu-ibu anu gegeroh di walungan leutik anu warna caina jerenih pisan. Aya oge bapa-bapa anu nuju geus siap-isap ka sawah kanggo macul atawa milarian jukut jang parab sapi jeung domba. Paling resep lamun abdi milarian sarapan isuk-isuk lantaran sok aya anu icalan surabi haneut. Sabenerna abdi tos mineng emam surabi, tapi teuing kumaha surabi anu aya di desa mah biasana leuwih gurih jeung leuwih seungit, pokona mah benten sareng anu di kota. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7209", "text": "Lamun ka datang ka Malang, aya hiji dahareun anu teu meunang kalewatan, nyaeta Bakso Malang. Bakso Malang dijieun tina daging sapi anu dipotong-potong leutik sarta dicampur tipung tapioka, bawang bodas, uyah jeung cabe. Saterusna dicitak jadi buleud tur diasak dina cai nu ngagolak nepi ka asak. Bakso Malang biasana disuguhkeun ku kaldu anu gurih sareng lada, sareng sayuran sapertos tauge, bawang goreng sareng kol. Bakso Malang oge tiasa disayogikeun sareng sangu atanapi mie. Aya dua rupi mie, nyaeta mie bodas atawa mie koneng. Bakso malang oge biasana disajikeun sareng rupi-rupi gorengan anu seeur jenisna, aya bakso goreng, siomay goreng, jeung pangsit goreng.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8887", "text": "Setrikan anu ayeuna kuring boga teh tos teu sae sapertos waktos mimiti ngagaleuh, henteu saalus baheula, sabab aya sababaraha bagian setrikaan anu teu tiasa dianggo deui. Sapertos tombol pikeun ngatur tingkat panasna rusak, janten nalika dipaké setrikaan teh mindeng nempel dina baju. Teras aya bagian sejen dina setrikaan, gagang pikeun nyetrika anu di hareup geus leungit sabab bisa jadi teu kahaja leupas boh ragrag jadi gagangna teu aya. Lajeng kabelna teu siga baheula, sabagéan warnana geus robah jadi rada hideung, sanajan kaayaan setrika kuring siga kitu tapi masih bisa dipaké sanajan kudu maké hati-hati pisan ameh henteu nempel kana baju.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1631", "text": "Kereta api teh salah sahiji angkutan umum anu bisa ngangkut penumpang leuwih loba tibatan angkot atawa beus. Mun hayang naek kereta api, biasana urang sok pesen ngaliwatan online. Salian ti babari oge gancang pas engke asup stasiunna da tinggal di scan teu kudu pesen deui. Jadi pas nepi stasiun teh kari nyetak tiketna ku sorangan tuluy bikeun ka petugas jang di scan. Mun geus kitu mah urang kari asup bari nungguan kereta nu dek ditaekan ku urang ngaliwat. Pastikeun oge jam pemberangkatanna luyu, lantaran mun teu luyu urang bakal katinggaleun kereta. Mun geus aya kereta jeung jadwalna sarua. Urang kari asup jeung diuk dina bangku nu geus disadiakeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6128", "text": "Jualan online jadi jalan ninja abdi dina ngahasilkeun penghasilan tambahan. Di samping ngajar di sakola, abdi ge ngical produk dina marketplace. Lumayan kangge nambihan penghasilan supaya bisa nabung leuwih seueur. Abdi biasana icalan sagala, aya pakean, aya jajanan, jeung makanan instan nu nuju hype pisan di zaman ayeuna. Penghasilan tina jualan online teh lumayan bisa jang ngacover kabutuhan, sabab ngandelkeun gaji hungkul mah da teu cekap. Mantakna abdi nepi ka ayeuna bertahan icalan online supaya bisa ngacover sagala rupa kabutuhan jeung pake nabung ongkoh. Biasana abdi oge sok ngiklankeun di Instagram, lumayan oge sok aya nu tanya-tanya bari ujungna meser.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1870", "text": "Sayuran brokoli sering mangrupikeun tuangeun anu paling dihindari. Kanyataanna, dina sayuran seueur gizi anu mangpaat pikeun awak. Brokoli aya di luhureun daptar sayuran anu dihindari ku seueur jalma. Malah, brokoli beunghar pisan ku antioksidan, vitamin C, sareng vitamin A. Hiji studi ogé nunjukkeun yén ngonsumsi brokoli tiasa ngirangan résiko kanker jeung panyakit komorbid nu sanesna. Pikeun anjeun anu teu resep brokoli, meureun anjeun tiasa ngalayanan sareng sababaraha saos sapertos salad, mayones, saos kacang, sareng anu sanésna. Anjeun ogé tiasa nyampur brokoli kana tuangeun karesep anjeun sapertos sop atanapi salad kusabab beunghar khasiatna, hayu sasarengan gerakeun kulawargi jeung sobat jang ngadahar brokoli.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "910", "text": "Realme 10 mawa tagline Beat The Competition jang nyaingan musuhna di segmen mid range. Realme ngakombinasikeun make RAM nepikeun ka 8 GB jeung memori internal nu badag nepikeun ka 256 GB. Teu cukup nepi dinya hungkul, aya oge fitur RAM Dinamis anu nepikeun ka 8 GB jadina kinerja multitaskingna teu kudu diragukeun deui. Realme ieu boga desain premium jeung nawarkeun kamera selfie 16 MP jeung dual kamera tukang 50 MP sarta sensor 2 MP kamera sekunder. Smartphone ieu oge bisa ngarekam video nepikeun ka resolusi 1080p dina 30 fps ngagunakeun kamera hareup jeung tukang. Smartphone ieu rilisna November 2022, jeung matok harga Rp 3.200.000 anu varian 8/128 GB, atawa varian handapna 4/128 GB anu dijual di harga Rp 2.500.000.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7460", "text": "Hal anu kedah diperhatikeun sateuacan ngasupkeun acuk kana mesin cuci nyaeta urang teu meunang ngasupkeun acuk anu beunang noda bengsin. Bengsin kaasup benda anu teu cocok sareng mesin cuci. Komo bengsin tiasa ngakibatkeun kahuruan atawa ngajadikeun mesin cuci ngabeledug. Janten lamun urang bade ngaberesihan noda tilas bangsin dina acuk atawa calana, saena mah nodana diberesihan heula dina ember make lengeun sateuacan diasupkeun kana mesin cuci atawa diseuseuh langsung dina ember make sabun teras langsung dipoe, teu kedah asup ka mesin cuci. Lamun bade diasupkeun ka mesin cuci oge kedah dipastikeun heula yen eta bengsin dina kaen teh tos bener-bener leungit. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5776", "text": "Arung jeram teh mangrupakeun salah sahiji olahraga ekstrem anu paling loba diminati ku masyarakat. Arung jeram gampang dikunjungi atawa dicobian sabab ayeuna mah tos aya di unggal tempat wisata nu ngabogaan wahangan. Saparahu teh bakal bisa dieusi ku genep tamu jeing saurang guide atawa pemandu. Lila pengarungan teh tergantung paketan nana, biasana panglilana durasi sajam atawa dua jam dina jarak hampir sapuluh kiloan. Aya oge jarak pendek anu ngarungna sakitar tilu puluh menitan dina jarak opat kiloan. Mun keur pengarungan teh pengunjung wajib make palampung jeung helm, oge wajib dipandu ku guide nu professional nu bakal ngarahkeun laju parahu salila pengarungan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8040", "text": "Generasi ayeuna leuwih gampil ka serang panyawat kusabab pola hirup nu kirang sihat. Salah sahiji keluhan ti barudak ngora teh nyaeta sok nyareri awak. Eta teh kusabab kirangna kagiatan fisik barudak ngarora nu pagaweanna teh cicing hareupeun komputer atawa hp. Mulai ti ayeuna hayu urang ngabiasakeun olahraga rutin, mimiti urang biasakeun ti olahraga nu ringan wae. Olahraga ringan teh contona jogging, jogging tiasa dilakukeun ku saha wae kusabab teu perlu aya kabisa khusus upami bade ngalakukeun ieu olahraga. Teras urang ajakan jalma-jalma nu caket ka arurang keur ngilluan ieu kagiatan. Janten lain urang hungkul nu sihat kulawargi atanapi rerencangan oge jadi sarihat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4092", "text": "Prof. Dr. H. Abdul Malik Karim Amrullah atawa Buya Hamka Populér nu lahir 17 Pébruari 1908 di Tanah Sirah ayeuna geus kaasup kana Nagari Sungai Batang, Kabupatén Agam, Sumatera Barat. Anjeunna anak kahiji ti opat murangkalih ti pasangan Abdul Karim Amrullah \"Haji Rasul\" sareng Safiyah. terus maot di tanggal 24 Juli 1981 nyaéta saurang ulama, filsuf, jeung sastrawan Indonésia. Anjeunna ngagaduhan karir salaku wartawan, panulis, sareng guru. Anjeunna asup dina pulitik ngaliwatan Masyumi nepi ka partéy dibubarkeun, jadi Ketua Majelis Ulama Indonésia (MUI), sarta aktif di Muhammadiyah nepi ka ahir hayatna. Universitas Al-Azhar sareng Universitas Nasional Malaysia masihan anjeunna gelar doktor honoris, sedengkeun Universitas Moestopo negeskeun Hamka salaku profesor. Ngaranna disematkeun di Universitas Hamka Muhammadiyah sarta kaasup kana daptar Pahlawan Nasional Indonésia.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8644", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun nyetel dana darurat. Jieun anggaran pikeun manggihan jumlah pengluaran bulanan jeung panghasilan bulanan. Ieu bakal mantuan nangtukeun sabaraha duit sisihkan pikeun dana darurat. Salaku aturan umum, leuwih sae pikeun nyimpen dana darurat sahenteuna 3-6 bulan kanggo biaya bulanan. Jumlah anu dibutuhkeun bakal rupa-rupa gumantung kana kabutuhan pribadi, sapertos jumlah tanggungan kulawarga, jinis padamelan, atanapi kaayaan kasehatan. Sanggeus nyaho jumlah diperlukeun, sisihkan sababaraha duit tina panghasilan bulanan anjeun pikeun dana darurat. Bisa mimitian ti 10% nepi ka 20% tina panghasilan bulanan. Tempatkeun dana darurat di tempat anu aman sareng gampang diakses nalika diperyogikeun, sapertos tabungan dana darurat khusus, setoran, atanapi instrumen investasi cair. Ngamutahirkeun jumlah dana darurat rutin, utamana lamun parobahan finansial lumangsung, kayaning ngaronjat pengeluaran atawa parobahan panghasilan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4142", "text": "Al kitab nyaeta kitab suci umat nasrani, al kiba eusi na firman firman tuhan anu di jadikeun pedoman hirup keur sakabeh umat nasrani di dunia. Aya opat harti lamun urang nyarita ngeunaan firman Allah: Hiji, Firman Allah teh Pribadi Yesus Kristus; Dua, Firman Allah salaku Firman Allah. Naon anu urang bahas di dieu, Firman Allah salaku kecap. Anu hartina: Katetepan Allah; Allah perentah pribadi ka batur; Tilu, firman Allah dikirimkeun ngaliwatan mulut hamba-Na; jeung Opat, Firman tinulis Allah (Alkitab); Alkitab ieu nunjuk ka Firman Allah dijieun Daging. Umat nasrani ngaku jeung mulut maranéhanana, jeung kuduna teu ngan nepi didinya, maranéhanana kudu terus dididik maca, tapa, ngapalkeun, nerapkeun jeung ngajarkeun Kitab Suci ka batur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7439", "text": "Lenovo, pausahaan laptop kasohor ngumumkeun seri gim Legion pang anyarna dina acara Consumer Electronics Show (CES) 2023 di Amerika Serikat. Produk anu janten unggulan nyaeta Lenovo Legion Pro 7i sareng Legion Pro 7. Lenovo ngungkapkeun yen ayeuna dua laptop ieu hadir sareng chipset khusus anu dijieun tina kecerdasan jieunan (AI) khusus anu disebut \"Lenovo LA AI Chip\". Chip ieu disebut-sebut salaku chip dedicated khusus kahiji di dunya laptop gim. Legion Pro 7i gaduh spesifikasi anu langkung luhur sareng langkung sae tibatan Legion Pro 7. Laptop ieu mangrupikeun model top anu dilengkepan ku dua prosesor Intel Core, nyaeta i9-13900HX sareng i7-13700HX.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2817", "text": "Hiji hal anu jadi perhatian nyaeta kelestarian lingkungan, polusi tina knalpot mobil aya dina tahap kritis: pemanasan global anu memicu perubahan iklim global, sabab geus ngaleuwihan kamampuh lingkungan pikeun ngajaga kasaimbangan na ngan hiji. Pangaruh partikel gas knalpot ngabalukarkeun kaluarna loba partikel radikal nu ngabalukarkeun panyakit leuwih bahaya, kanker salah sahijina. Kanyamanan leuwih hadé, sabab teu ngan teu aya sora, tapi speed vs torsi kurva lemes, nu mangrupakeun kaunggulan tina motor listrik, sagigireun bisa max torsi dina rounds mimiti. Henteu ngan ukur listrik langkung mirah, tapi unggal waktos anjeun ngerem, motor listrik bakal janten generator, ngahasilkeun listrik sareng nyimpen deui kana batré (Regenerative Braking), sabalikna, mesin ICE bakal ngarobih énergi inersia ngerem janten panas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4029", "text": "Hobi sapédah dina sasih ayeuna beuki dipika resep ku jalma réa. mimitina ti covid loba jelema anu mulai pola hidup sehat. Sapedaan mangrupakeun pilihan hobi anu gampang sareng pikaresepeun, khususna isuk-isuk. Salah sahiji mangpaat sasapedahan anu tiasa dirasakeun nyaéta ningkatkeun kaséhatan méntal aya seueur cara olahraga tiasa ningkatkeun haté anjeun. Aya sékrési dasar adrenalin sareng endorfin, ogé dorongan kapercayaan anu asalna tina ngalaksanakeun hal-hal énggal. Bersepeda pikeun ngurangan beurat ngabangun ngabantosan anjeun mastikeun yén pengeluaran énergi anjeun langkung ageung tibatan asupan énergi anjeun kusabab anjeun ngaduruk kalori,Ngabuburit ngurangan résiko panyakit jantung bersepeda ningkatkeun denyut jantung anjeun sareng ngompa getih kana awak anjeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2373", "text": "Jaman baheula candi Prambanan diwangun ku hiji satria nu ngaranna Bandung Bondowoso ngan dina hiji peuting. Bandung Bondowoso ngawangun Prambanan kalayan sarébu candi di sabudeureunana pikeun nyumponan pamenta Putri Roro Jonggrang salaku sarat nikah ka anjeunna. Lajeng leres candi ieu dijieun ku Bondowoso? No. Candi ieu lain dijieun ku Bondowoso. Carita ieu ngan saukur legenda rahayat ku lisan. Candi Prambanan sabenerna diwangun ku Rakai Pikatan dina 850 Masehi pikeun nyocogkeun kaagungan candi Borobudur. Bukti tinulis tina prasasti Siwagrha taun 856 Masehi nyatakeun yén tujuan ngawangun candi ieu nyaéta pikeun ngamulyakeun Dewa Siwa. Ku kituna komplek candi Prambanan ogé dipikawanoh ku ngaran aslina Siwagrha anu hartina 'Imah Siwa'.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7121", "text": "Sanggeus lumangsung paguneman antara Ki Lengser jeung pingpinan rombongan, Pager Ayu atanapi Mamayang anu jumlahna genep urang teras nyambut kadatangan rombongan lalaki kalayan tari jeung kembang. Di hareupeun imah para sepuh panganten awewe tos nungguan. Saparantos slih nyanghareupan, bapa panganten pameget ngalungkeun kembang teras ngajak rombongan panganten lalaki nempatan rohangan nu geus disadiakeun. Kaunikan upacara adat Mapag Panganten nyaeta ayana unsur Islam dina upacara Mapag Panganten, sapertos Punggawa jeung Payung anu ngalambangkeun Tuhan, sisi Islam oge kapanggih dina tembang Rajah Lengser, samemeh dimimitian upacara, Lengser ngamimitian upacara kalayan ngadoa heula nyuhunkeun panyalindungan ka Gusti sangkan dipasihan kalancaran dina mangsa prosesi upacara", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7447", "text": "Radio janten hiburan hiji-hijina anu aya di jaman Orde Lama. Siaran Radio Swasta taun 1960-1970-an teu merlukeun ijin husus, sarta waktu siaran oge teu diwatesan. Kamunculan radio swasta nu mulai beuki seeur ahirna Kamentrian Penerangan dina taun 1970 ngaliwatan PP No. 55 anu dikaluarkeun kaping 17 Desembermulai ngatur fungsi, hak, kawajiban jeung tanggung jawab stasiun radio swasta. Nepi ka taun 1987 stasiun radio terus ngembang pesat, kalawan kacatet kira-kira aya 622 stasiun radio di Indonesia, nyaeta 4opat puluh salapan RRI, opat ratus dua puluh dalapan radio swasta, tujuh radio siaran non-komersial, saratus tilu puluh tilu radio pamarentah lokal jeung lima radio departemen.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4961", "text": "Inuman nu sering dijieun di tengah poe ereng-erengan nyaeta es lemon. Duh nikmat pisan rasana laun diinum na di tengah sawah bari tas cape. Es lemon jadi inuman nu diyakini ku masyarakat bisa nambah tanaga sabab ku segerna nu kaliwatan. Nyieun es lemon bisa dimana wae sabab simpel. Mimiti, siapkeun lemon, gula bodas, es batu, jeung cai panas. Liurkeun gula bodas make cai panas saeutik. Terus tambahan make es batu sapinuhna gelas, tapi sasuaikeun oge jeung salera. Geus kitu beulah lemon jadi dua tuluy peres kana gelaskeun. Kocekeun dugi ka kacampur rata sadayana. Es Lemon paporit nu ngeunah na kaliwat saking, siap disayogikeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5839", "text": "Zaman ayeuna mah seueur laptop anu di reka-reka tampilan nana. Aya nu desainna ipis, elegan, jeung aya oge anu 2 in 1 touchscreen. Tah, ayeuna mah 2 in 1 touchscreen teh jadi model laptop pilihan loba kalangan. Pasalna, salian jadi model biasa, oge layarna bisa di touch terus aya nu bisa dipisahkeun. Jadi modelna bisa dijieun tab, bisa oge dijieun laptop nu biasa. Rata-rata laptop 2 in 1 kieu teh sok leuwih ipis, jadi babari dibawa ka mana-mana. Terus mun kaperluanna bisa digawean make tab, tinggal mawa tabna, teu kudu jeung body keyboard na. Salian kaunggulan na tina segi layar jeung desain, hargana oge kabilang menengah ka bawah, jadi bisa dimiliki ku sagala kalangan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4575", "text": "Games Hay Day ieu lamun di mainkeun teh teu gampang bosen. Kusabab kaulinan ieu loba tingkatan. Unggal tingkat nampilkeun menu anu nangtang anyar sareng pertanian anu langkung variatif. Games ieu tiasa dimaenkeun iraha waé jeung dimana wae. Aya béwara lamun anu dihasilkeun geus siap dipanén, boh pepelakan boh hasil ternak. Ngahias sareng atur kebon sakumaha anu di pikahayang. Kumpulkeun barang-barang pikeun ngadukung sareng ningkatkeun panyimpen, ogé ngatur para nasabah anu datang nalika aranjeunna hoyong mésér produk pertanian. Earn bonus hasilna tina kabayang spinning, chests nu bakal muncul di sabudeureun tegalan, sarta ngaronjatkeun atawa ngumpulkeun barang. Games hay day ieu bisa sakalian ngajadikeun gambaran lamun ngke hayang boga pasawahan atawa kebon. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2015", "text": "Kira-kira tilu taun ka tukang kuring nongton pilem horor Indonésia anu judulna Alas Pati, salah sahijina dilakonan ku Nikita Willy. Sabenerna mah teu niat lalajo film ieu. Sajujurna mah filmna teu matak pikabitaeun, ari ceuk kuring mah leuwih hade dahar tibatan lalajo film nu teu jelas siga kieu. Sareng leres nalika pilem éta diputer, kuring ngarasa yén sajam satengah hirup kuring henteu aya gunana. Dimimitian tina sound system anu matak sesek, muncul sareng tilelep, supados henteu sadayana dialog para pemeran karungu sacara jelas, dugi ka jalan carita anu henteu saé, nyarioskeun ngeunaan grup YouTuber anu kabeneran aya di kampus anu sami. , nu keur néangan kasakit ku cara nganjang ka leuweung angker ngan keur kapentingan nu nempo.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4492", "text": "Lucia Francisca Susy Susanti Haditono lahir 11 Pébruari 1971 nyaéta saurang pamaén badminton Indonésia katurunan Cina. Anjeunna kasohor ku gaya maén anu unik, awakna pas, trik anu teu aya anu sanés, sareng tangguh mental. Manéhna dianggap ku loba salaku salah sahiji pamaén tunggal awéwé greatest sepanjang waktos. Anjeunna peraih medali emas kahiji Indonésia dina Olimpiade. Anjeunna nikah sareng Alan Budikusuma, sareng anjeunna meunang medali emas dina Olimpiade Barcelona 1992. Salian ti éta, anjeunna ogé meunang medali perunggu dina Olimpiade Atlanta 1996. Pasangan Alan sareng Susi gaduh 3 murangkalih namina Laurencia Averina, Albertus Edward sareng Sebastianus Frederick. Dina Méi 2004, Badminton World Federation (atawa Badminton World Federation) ngalélér Badminton Hall of Fame ka Susi Susanti. Pamaén Indonésia séjénna anu geus meunang pangajén Hall of Fame nyaéta Rudy Hartono Kurniawan, Dick Sudirman, Christian Hadinata, jeung Liem Swie King. Saméméhna, manéhna ogé meunang Medal of Honor RI Bintang Jasa Utama taun 1992.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3548", "text": "Sabaraha jumlah idéal dana darurat anu kedah disisihkeun per bulan?\r\nNaon anu anjeun hartosna dana darurat? Naha éta dana darurat pikeun kabutuhan anu urgent (biaya anu teu kaduga) atanapi dana darurat pikeun manajemén kauangan. Pikeun ngokolakeun kauangan, dana darurat minimal anu kedah urang siapkeun nyaéta 3 kali biaya bulanan. Nanging, upami anjeun parantos nikah atanapi gaduh murangkalih, dana darurat anjeun tiasa 6 kali atanapi 12 kali biaya bulanan anjeun. Dana ieu tiasa disimpen dina instrumen investasi anu résiko rendah. Salaku conto, 50% disimpen dina tabungan sareng 50% sanésna disimpen dina reksa dana pasar uang. Sedengkeun pikeun dana darurat kalayan biaya anu teu disangka-sangka, kuring nyangka unggal jalma bakal gaduh itungan anu béda-béda gumantung kana kagiatan sapopoé sareng lingkungan tempatna. Kuring miharep ieu mantuan", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8285", "text": "Hiji poe, saurang pangusaha nu ngaranna Sarah ngarasa frustasi lantaran usahana ngalaman karugian gede. Manehna ngarasa bingung jeung teu nyaho naon anu kudu dipigawe pikeun ngaronjatkeun kaayaan bisnis na. Tapi, hiji poe Sarah papanggih jeung ahli bisnis ngaranna John nu boga reputasi alus pikeun mantuan pangusaha nu keur susah. John nyadiakeun sababaraha tips mangpaat pikeun mantuan Sarah kaluar tina kaayaan hese ieu. Sarah kagum pisan ku tip anu dipasihkeun ku John sareng mutuskeun pikeun nuturkeun saran eta. Kalayan ketekunan sareng kerja keras, Sarah tungtungna tiasa kaluar tina waktos susah sareng ningkatkeun usahana. Anjeunna diajar yen penting pikeun ngadangukeun nasehat sareng saran para ahli bisnis anu ngalaman nalika ngalaman kasusah dina bisnis.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6485", "text": "Kahirupan di lembur mah jeung tatangga teh meuni geus asa dulur. Mun aya nanaon teh sok silih bantuan. Malahan mah mun aya nu kasusahan teh sok silih bantuan. Mun aya tatangga rek hajat, sok silih bantuan dina ngolah sagala rupana. Mun geuring, silih longokan jeung silih tungguan. Jadi bener-bener rarasaan teh jiga ka dulur we da saking ku deukeutna. Malahan mah kadang bageurna tatangga teh leuwih bageur ti dulur, komo mun unggal poe babarengan wae mah. Dina masalah sapopoe ge tatangga mah sok leuwih apal tibatan dulur, da nyaksian kahirupan sapopoena. Mantak geus teu asa-asa deui menta tulung ka tatangga mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9410", "text": "Croissant nyaeta roti polos anu dijieun tina adonan tipung, mentega jeung ragi anu dibentuk ku cara dipotong jeung digulung tuluy dipanggang. Croissant biasana diopi sareng cikopi. Croissant mimitina ngan boga hiji rasa aslina. Ayeuna, Croissant geus dirobah jadi loba rasa. Dimimitian tina rasa kéju, coklat, red velvet jeung sajabana. Croissant nyaeta roti anu asalna ti Perancis. Ciri khas roti ieu miboga tekstur anu garing tur loba lapisan anu matak Croissant rasana hampang. Salian ti rasa, inovasi croissant oge geus nepi ka bentukna. Ayeuna, aya oge nu ngarana Croffle, nyaeta gabungan antara croissant jeung waffel. Croissant geus jadi kadaharan anu kasohor di kalangan kawula muda.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4195", "text": "Rumah Gadang nyaeta imah anu arsitekna imah tradisional ieu wangun arsitéktur anu unik kalayan hateupna runcing anu nyarupaan tanduk kebo sarta baheulana dijieun tina serat palem anu bisa tahan mangpuluh-puluh taun tapi ayeuna-ayeuna hateup imah-imah ieu geus diganti ku hateup timah. Rumah Gadang dijieun wangun sagi opat sarta dibagi jadi dua bagian, hareup jeung tukang. Fasad Rumah Gadang biasana pinuh ku hiasan ukiran sarta umumna dipolakeun ku akar, kembang, dangdaunan ogé sagi opat sarta sajajar. Sedengkeun bagian luar tonggongna ditutupan ku awi beulah. Ieu imah adat diwangun tina tihang panjang, imahna dijieun badag jeung luhur, tapi teu gampang lungsur ka guncangan, sarta unggal unsur Rumah Gadang miboga harti sorangan dumasar kana tambo anu aya dina adat jeung budaya Sunda. masarakat satempat.Sacara umum, Imah Gadang ngabogaan hiji tangga anu perenahna di hareup. Sedengkeun dapur diwangun misah di tukangeun imah nu napel na témbok. Kusabab wewengkon Minangkabau geus lila rawan lini sabab ayana di pagunungan Bukit Barisan, arsitektur Rumah Gadang ogé merhatikeun desain tahan gempa. Sakumna tihang-tihang Rumah Gadang henteu dikurebkeun dina taneuh, tapi nyanggakeun dina batu datar anu pageuh tur rubak. Sakumna panyambungna dina saban pasamoan tihang-tihang gedé jeung rancatan (Kaso) teu maké paku, tapi maké pasak anu ogé dijieun tina kai. Nalika aya lini, Rumah Gadang bakal ngageser sacara fleksibel sapertos nari dina batu datar tempat tihang atanapi tihang nangtung. Kitu deui satiap sambungan anu disambung ku pasak kai ogé gerakna léksibel, sahingga Imah Gadang anu diwangun kalayan bener bakal tahan ka lini.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9348", "text": "Seueur hal anu nyababkeun setrés boh kusabab masalah padamelan, masalah kulawarga, dugi ka masalah cinta. Cara munggaran pikeun nungkulan setrés salah sahijina nyaéta ku olahraga. Salian ti ngajadikeun urang sehat jasmani sarta bébas panyakit, olahraga ogé éféktif pikeun ngaleungitkeun setrés. Aya sababaraha alesan kunaon olahraga efektif pikeun ngaleungitkeun setrés, nyaéta olahraga tiasa ngabantosan ngirangan tingkat hormon kortisol, alias hormon 'stress' dina awak urang, olahraga ogé tiasa ngabantosan ningkatkeun kualitas saré urang anu langkung saé, sareng anu terakhir, olahraga bisa ngaronjatkeun rasa percaya diri sangkan mangaruhan wanda jeung mood jeung mental. Teu perlu olahraga anu beurat, cekap ku ngalakukeun olahraga ringan kayaning jogging, sapédah, atawa ngan leumpang santai. Laksanakeun cara ngungkulan setrés ieu sacara rutin supados hasilna leres-leres karasa ku urang.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2649", "text": "Kauntungan sejenna nyaeta HIIT bisa dipigawé di mana waé, tanpa bantuan alat-alat beurat, sarta tangtu biaya éféktif. Upami anjeun henteu terang kumaha ngalakukeun HIIT, aya seueur conto pidéo ngeunaan gerakan dina Youtube. Sababaraha saluran karesep kuring nyaéta Yulia Balthschun, Chloe Ting, sareng Eh, Hayu Olahraga. Salian ti méré conto gerak, ogé méré atikan dina widang olah raga jeung kaséhatan, mimitina mah olah raga sacara rutin pikeun nurunkeun beurat jadi leuwih idéal. Tapi kauntungan anu kuring kéngingkeun jauh langkung seueur tibatan kaleungitan beurat. Kuring ngarasa leuwih seger fisik. Ampir 2 taun kuring henteu kantos gering parna, sahenteuna ngan ukur flu atanapi nyeri sirah kusabab kurang istirahat. Seueur ogé anu nyangka yén kuring umurna 23-25 ​​taun, sering kaliru janten mahasiswa. Padahal umur kuring geus 30 taun. Kadieunakeun kuring ogé kakara terang, yén olah raga biasa ngajaga urang awet ngora.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5328", "text": "Nabi Muhammad SAW mangrupikeun nabi terakhir ti dua puluh lima nabi nu bergelar Rasulullah. Nabi Muhammad SAW mangrupikeun panyampurna tinu sagala hal kaagamaan. Kahadiran baginda janten salah sahiji panutan kangge saluruh umat muslim. Sagala tingkah laku umat muslim teh diharapkeun jiga nu dicontokeun ku kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina sagala tingkah laku jeung ibadah teh saena mah kedah ngikuti sunah Rasulullah, supaya hirup urang senantiasa aya dina garis kebenaran jeung kalancaran. Jadi, barangsaha anu hoyong kenging pahala berlimpah, oge hoyong asup surga, kedah nuturkeun ajaran agama n tos dicontokeun ku baginda Rasululah SAW. Seueur palajaran hirup nu tos dicontokeun ku Rasulullah SAW. Ti dinya urang salaku umat muslim kedahna mah tos paham kedah kumaha menyikapi suatu hal. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1541", "text": "Basa keur sakola, unggal balik teh sok ditungguan di gerbang. Boh eta manehna nu tiheula balik atawa urang, ngarah bisa balik babarengan. Lantaran imahna lumayan deukeut jeung sakolaan, jadina bisa ku urang anteur balik. Tapi mindeng oge mun pas waktuna balik teh arurang sok sindang heula ka tempat ngabaso, emang teu unggal poe sih ngabaso teh, da duit keur sakola teh pas-pasan jeung emang teu unggal poe hayang ngabasona. Geus ngabaso kakara langsung dianteurkeun nepi ka lawan gerbang imahna, sakapeung mah sok panggih jeung indungna, urang biasana nyapa tiheula, \"Bu kumaha damang?\". Ngobrol teu lila urang sok langsung pamitan balik. Ieu geus jadi kabiasaan sapopoe pas keur sakola.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4939", "text": "Sayur sop mangrupakeun salah sahiji deungeun sangu nu dipikaresep ti budak dugi ka kolot. Nyieun na nu gampang jeung rasa na nu ngeunah ngajadikeun ieu sayur sop dahareun andalan komo keur ngahuapan buda leutik mah. Eusina mangrupa sayur-sayuran sapertos wortel, engkol, buncis, jeung sajabana. Tah sayuran ieu teh jadi sumber gizi dina ieu deungeun sangu. Salian eta, cai na nu ngandung kaldu hayam oge seueur ngandung protein nu alus jang awak. Ku kituna, ieu deungeun sangu jadi deungeun sangu nu loba dipasak sabab bisa oge dipake jang ngahuapan nu teu damang atanapi udur. Bisa dibilang ieu sayur sop teh deungeun sangu sagala kondisi.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5366", "text": "Hari Raya Idul Fitri sering oge dikenal ku sebutan lebaran. Lebaran Idul Fitri teh nyaeta di tangal hiji syawal nu jadi tanda beresna bulan ramadhan. Lebaran Idul Fitri dianggap sebagai hari kameunangan sabab geus berhasil ngalawan hawa nafsu jeung nahan diri salila bulan ramadhan. Lebaran Idul Fitri biasana diawali ku sholat ied isuk-isuk di unggal masjid jamie atawa masjid besar nu aya di lembur satempat. Mun Idul Fitri teh biasana kulawarga nu jah baralik ka lembur jang ngumpul jeung kulawarga besar. Masakan nu wajib aya di Idul Fitri teh nyaeta kupat. Biasana kupat sok make opor atawa gulai hayam. Tah mun Lebaran Idul Fitri oge sok dijadikeun momentum ziarah ka makam kolot.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4560", "text": "Panginten anjeun mangrupikeun salah sahiji jutaan peminat maén bal a Piala Dunia Qatar 2022. Maén bal nyaéta olah raga anu panglobana peminatna di sakuliah dunya, geus tangtu lalajo piala dunia sacara langsung atawa ngaliwatan siaran televisi téh mangrupa kagiatan anu pasti ditunggu-tunggu. Dicutat tina rupa-rupa sumber, ningali pertandingan sepak bola kabuktian ampuh nimbulkeun éfék gumbira. Kumaha henteuna, anjeun bakal aya dina euforia sareng antusiasme pamaén bal anu maén sareng ogé kabungahan ningali sareng réréncangan anjeun anu ogé masihan dorongan ka tim favoritna. hasil panilitian di Universitas Leeds ngungkabkeun yén maén bal miboga mangpaat pikeun kaséhatan. Kumaha bisa kitu? Ieu kajadian sabab nalika lalajo maén bal, detak jantung hiji jalma bisa naek nepi ka 64 persén jeung pulsa nepi ka 130 per menit atawa sarua jeung leumpang gancang salila 90 menit. Pasti ieu sae pisan, sanes kanggo kasehatan awak sareng pikiran. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "846", "text": "Ekskul olahraga biasana sok dipertandingkeun, boh eta tiap kelas atawa tiap sakolaan. Hiji waktu lantaran miluan ekskul volli di sakolaan, urang jadi salah sahiji pamaen nu dititah jang ngawakilan sakola di tingkat kecamatan. Urang bersyukur lantaran ti anu miluan ekskul bola volli aya kana 15-an mah, urang kapilih jeung 7 sejenna. Anu biasana ekskul volli teh diayakeun saminggu sakali dina poe Sabtu, saminggu deui rek tanding, ekskul bola voli diayakeun unggal poe sabalik sakola. Bahkan pas keur mata pelajaran di kelas oge mindeng menta izin dispen jang miluan latihan. Saenggeus kitu dina waktuna tanding, sakola urang juara ka-3 ti 15 sakola nu miluan. Pas upacara poe Senen, tim ekskul bola voli diumumkeun juara jeung dititah maju kahareup. Tangtuna ieu jadi kareueus urang khususna, oge tim ekskul bola voli umumna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "537", "text": "Cara-cara nyaritakeun deui carita rakyat ka batur. Nu kahiji dengekeun atawa baca carita ku saksama ti awal nepikeun ka akhir, ulah macana sapotong-sapotong. Nu kadua, catet tema, tokoh, sifat tokoh, jeung latarna. Ieu bakal mantuan dina nyaritakeun deui isi carita rakyat. Pas nyaritakeun deui isi carita urang kudu ngacu kana tema, tokoh, sifat tokoh, jeung latar carita nu didengekeun atawa dibaca. Nu katilu, tulis kabeh peristiwa nu aya dina carita sacara gurat badagna hungkul. Nu kalima caritakeun deui isi carita ku kalimah sorangan ngan kudu saluyu jeung eusi jeung urutan carita rakyat nu didenge atawa dibaca. Tokoh jeung latar carita oge dicaritakeun kudu sarua jeung tokoh jeung latar carita rakyat nu didenge atawa dibaca.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1917", "text": "Sistem hidroponik sareng microgreens (sayur séhat super leutik) sabab gampang sareng praktis. Sanaos henteu disiram unggal dinten, pepelakan ieu tiasa mekar sareng panén gancang.Pelak pepelakan anu gampang tumbuh sareng dirawat, sapertos kangkung, bayem, apu, cabe, khususna cabe rawit, tomat, jeruk nipis atanapi jeruk nipis. kacang panjang, labu sirih, jeung melon, ogé ngasongkeun tutuwuhan herbal kayaning kacang kukupu, mint, rosemary, organo, sereh, jahé, kunyit, kencur jeung kelor pikeun dipelak. Pangpentingna, milih pepelakan luyu jeung kabutuhan urang. Samentara éta, penanaman. tutuwuhan hias ogé loba mangpaatna saperti méré kaéndahan jeung kabagjaan.Loba pepelakan hias bisa nyerep hawa/hawa kotor komo ngusir reungit tanpa nyemprot obat nyamuk.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "831", "text": "Dumbbell nyaeta versi leutikna ti alat angkat beban barbel. Alat ieu digunakeun jang ngalatih otot-otot awak jeung mantuan ngastabilkeun gerakan latihan. Ukuranna nu leutik jeung beuratna nu rupa-rupa, mulai ti satengah kilo nepikeun ka sapuluh kilo. jadina nyieun alat ieu bisa dipake jang rupa-rupa jenis latihan jeugn babari diluyukeun jeung kabutuhan. Misalkeun jang nguatkeun otot-otot awak siga taktak, dada, jeung suku, ngajaga ketahanan awak, jeung gerakan ngalatih otot bisep oge trisep. Biasana jang lalaki dokus kana latihan dada jeung tonggong bisa di mimitian ngangkat dumbbell anu beuratna 4,5-9 kilo. Sedengkeun mun awewe mah biasana leuwih fokus kana repetisi, gancang, jeung cenderung mibogaan katahanan leuwih luhur bisa di mimitian ku dumbbell nu beuratna 2-4,5 kilo.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "871", "text": "Di kampung mah mindeng ngayakeun turnamen mengbal antar kampung. Biasana urang ngadaptarkeun sorangan mun geus aya timna, tuluy mayar sajumlah duit jang pendaftaranana. Duit pendaftaran ieu dipake jang konsumsi oge hadiah jang juara 1, 2, jeung 3 anu nominalna teh beda-beda. Aya kurang leuwih 12 tim ti 12 kampung nu miluan. Sok diramekeun ku tukang dagang atawa ibu-ibu bapa-bapa anu nongton barudakna. Pas difinal teh nyaeta nu maen musuh bubuyutan, mun di eropa mah siga el Classico antara Barcelona jeung Real Madrid. Beres pertandingan teh lantaran teu narima eleh kalakah jadi garelut nepikeun ka silih baledog batu, atuh dipisahkeun ku penonton. Untungna penonton ti 2 kampung ieu teu kasulut emosina. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6116", "text": "Ide jualan ti imah teh biasana meunang penghasilan nu sarua jeung upah minimun, bahkan kadang leuwih gede ti upah minimum. Ide jualan na gebiasana makanan atawa jajanan receh, nu fokus tagetna nyaeta barudak. Sabab mun pasarna barudak mah pasti moal dianjuk, jeung bakal lanca dina kaluar-masuk kauangan. Jualan ti imah ge bisa bari ngagawean pagawean imah, jadi bisa bari multitasking. Dina masarkeun na ge ayeuna mah babari, sabab tos aya sosial media nu bisa ngajangkau target pasar leuwih ngena. Oge mun target pasarna barudak leutik mah tinggal promosikeunbari ngolo barudak supaya jajan. Jieun we jajanan na nu unik jeung nagih.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4251", "text": "Tari yapong ieu ditarikeun ku penari anu jumlahna kira-kira 5-10 penari sacara kelompok. Gerakan-gerakan di antarana: kahiji Gerak megol lembehan, Biasana pikeun penari lalaki, aranjeunna nempatkeun jempol maranéhanana dina pinggung. Sedengkeun pikeun awéwé, éta napel na dada. Dina gerakan ieu, suku penari bakal leumpang di tempat jeung leungeun kénca disimpen dina dada. kadua Gerentes luncat Saterusna, gerakan ieu merlukeun penari pikeun ngabengkokkeun hiji leungeun, sarta ninggalkeun leungeun séjén lempeng. Lajeng bakal luncat ka arah leungeun ngagulung.katilu Singgetan nigel Gerakan ieu nalika posisi leungeun aya di hareupeun panon, mangka penari bakal nyieun gerak buleud (ngigel) kaopat, Gerakan Yapong Tungtungna, gerakan Yapong, penari bakal nempatkeun leungeun-Na luhureun sirah sarta muka dampal leungeun na. Tuluy gerakna siga nyanghareupan angin ti kénca ka katuhu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3876", "text": "Gara gara ningalli tina internet bahwa aya inuman teh anu warna na alus , urang jeung babaturan neangan cafe anu ngajual teh kembang telang. Teh telang atawa teh kembang telang teh keur viral akhir akhir ieu, matak urang jeung babaturan panasaran hayang nyobaan. Pas geus nepi ka cafe na urang jeung babaturan, langsung mesen teh kembang telang. Saenggeus nunggu lumayan lila akhirna teh kembang telang na datang, urang mesen teh kembang teng jeung kue tiramisu. Pas mimiti nyobaan rasa na taneh, asa nginum cai kembang. Rasa na hambar rada pait jeung aya bau na. Babaturan teu resepeun nepi ka akhirna mesen kopi. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4752", "text": "Penting na boga relasi atawa networking lamun boga usaha nyaeta salian ti urang bisa kerja sama dina usaha usaha na, bisa jadi tempat keur tuker pikiran jeung pastina bia di pentaan tulung lamun urang keur susah. Lamun urang na baheur sok ngantu siga na lamun urang keur dina posisi anu susah batur oge bakal daek ngabantu asalkeun urang ulah gengsi ulah era lamun erek menta tulung, menta tulung teh lain perbuatan anu hina. Menta tulung ieu biasana geus jadi hal buiasa di dunya usaha matakna urang ulah era menta tulung da batur oge pasti sarua pasti pernah di posisi ieu.Rata-rata jalma anu baheula beunghar tuluy bangkrut, reueus menta tulung dina sagala rupa ka batur lantaran masih keneh boga kabisa. Manusa henteu diciptakeun pikeun hirup sorangan tapi mangrupakeun mahluk sosial anu sacara alami silih bantosan, khususna upama anjeun ngagaduhan reputasi anu alus ti baheula, teu mustahil bakal seueur jalma di luar sana anu daek mantuan anjeun pikeun balik deui kana kaayaan anjeun samamehna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4488", "text": "Pecinta badminton kedah wawuh sareng 'The Minions'. Ieu jujuluk anu dibawakeun ku pasangan bulu tangkis ganda putra Indonésia, Kevin Sanjaya Sukamuljo/Marcus Fernaldi Gideon. Julukan \"sah\" milik Marcus/Kevin kawas \"King Smash\" kawas Liem Swie King atawa \"The Daddies\" karya Mohamad Ahsan/Hendra Setiawan. Sanajan kitu, sababaraha pencinta badminton Indonésia bisa jadi teu nyaho sajarah lahirna julukan Minions pikeun Marcus/Kevin. Julukan Minions pikeun Marcus / Kevin tétéla disebut ku penggemar ngaranna Stephanie Zen. Anjeunna anu munggaran ngapopulérkeun julukan Minions pikeun Marcus/Kevin. Nurutkeun manéhna, julukan ieu diideuan ku karakter ti pilem Despicable Me, anu ngagambarkeun Marcus / Kevin. Julukan ieu mimiti sebut dina asian games dimana markus jeung kevin make jersey anu warna na mirip jeung tokoh kartun minion.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7146", "text": "Hiji poe Toba meunang lauk emas sakti nu robah jadi awewe geulis tur ngajadikeun Toba jatuh cinta. Toba nikah ka ieu wanoja sarta kagungan putra anu namina Samosir. Sanajan kitu, Samosir janten budak anu teu nurut. Hiji poe Samosir dipenta tulung ku indungna. Hanjakalna, anjeunna henteu ngalaksanakeun tugasna, kalahkah maen bal sareng babaturanana. Manehna malah ngadahar dahareun bapana. Hal eta nyieun Toba jengkel. Dina ambekna, manehna nutuk Samosir nyebut manehna anakna lauk. Padahal ka pamajikanana baheula, Toba jangji moal nepikeun asal-usul pamajikan ka anak-anakna. Dina waktu harita, ti tapak suku Toba kaluar cai anu ngalir deres pisan. Cai eta teu eureun nepikeun ngalelepkeun Desa Toba jeung sababaraha desa sabudeureun eta.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8024", "text": "Pepelakan tiasa dijadikeun kagiatan kanggo ngeusian waktos nu lowong. Pepelakan tiasa dimimitian ti nu gampil sapertos bawang daun. Melak bawang daun teu kudu ribet, cekap make gelas atawa cangkir. Carana nyaeta, mimiti cokot pangkal daun bawang nu ngagaduhan akar keneh. Teras eta daun bawang ditenden di jero gelas tur dieusian ku cai bersih. Pastikeun cai na tong nika ngeueum si daun bawang, cekap nika keun akarna kakeueum. Teras tendeun di tempat anu kana panon poe. Tingali unggal poe, upamii cai na tos rada seep tambihan deui ku cai nu bersih. Upami tos lebet daun bawang tiasa diguntingan janten pangkalna tiasa dianggo deui.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8891", "text": "Cara ngabersihkeun setrikaan anu nempel dina baju, siapkeun heula uyah dina kertas. Kadua, gosokkeun beusi panas kana uyah nepi ka kokotor anu nempel dina beusi layu jeung nyatu jeung uyah. Katilu lampahkeun léngkah-léngkah ieu nepi ka setrikaan sagemblengna beresih tina kokotor anu nempel sarta henteu lengket deui, jadi bisa dipaké deui sakumaha saméméhna. Salian ti ngagunakeun cara ieu, aya deui cara anu bisa digunakeun pikeun ngungkulan setrikaan anu nempel dina baju, nyaéta ku cara ngagosokkeun setrikaan pamas dina bagian atas daun cau sabab lapisan lilin anu aya dina daun cau bisa mantuan ngabersihkeun beusi anu lengket tur bisa jadikeun setrika mulus deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5413", "text": "Mun bulan puasa atawa ramadhan teh masjid sok cenderung leuwih rame sabab aya sholat sunah taraweh jeung sok aya baruda nu nabeuh bedug. Hal ieu teh dina raraga salah sahiji bukti kabungahan umat muslim dina nyambut bulan ramadhan. Biasana sok aya sholat taraweh di unggal masjid nu dilaksanakeun unggal peuting salila bulan ramadhan. Baruda oge sok nabeuh bedug saberes shalat taraweh supaya ngaramekeun ieu bulan suci. Di masjid oge jadi seueur nu itikaf dina raraga moro pahala jeung karidhoan Allah SWT supaya maparinan kalancaran hirup jeung hidayah hirup. Ku kituna, salaku umat Islam, urang kudu pisan ngaramekeun tempat ibadah urang tong kudu di bulan ramadhan hungkul. Yuk urang leuwih sering ibadah ka masjid jeung ngayakeun kagiatan kaagamaan di masjid!", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3907", "text": "Katel mangrupakeun alat masak dapur atawa parabotan anu penting pisan, nu sigana wajib aya di unggal imah. Katel nyaeta parabotan dapur nu ngabogaan paling loba kagunaan. Urang bisa ngasakan sagala macem masakan ti ngahaneut ken, masak cai, masak sayur, ngagodog jeung ngagoreng. Sagala kabutuhan bisa ngagunakeun hiji katel.Katel teh hiji parabot sajuta guna. Matak katel teh penting pisan. Katel atawa mun ceuk bahasa gaul na pan ieu teh loba pisan seueur model jeung ngarana tapi ngabogaan fungsi anu sarua. Aya nu ngarasa Teflon bentuk na hampir saruan jeung katel biasa ngan bedana aya dina desainna sabab teflon ngabogaan gagang padahal fungsina sarua, bedana karel biasa boga gagang dua sisi siga ceuli.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2790", "text": "Naha anjeun badé diajar atanapi ngan ukur ngadamel poto anu langkung saé tina smartphone?\nUpami anjeun hoyong diajar, kuring nyarankeun kaméra mirrorless digital ti Fujifilm. Tapi ulah runtuyan entry level. Atoh, néangan kaméra Fujifilm nu boga kenop setelan manual pikeun speed jepret jeung aperture lénsa. Contona runtuyan XT1 atawa XT10, runtuyan XE.\nNaha kudu aya dial manual? Janten anjeun tiasa langkung gampil diajar ngeunaan segitiga paparan (speed shutter, aperture lensa, sareng tingkat ISO) sareng pangaruhna kana poto. Upami anjeun nganggo kaméra nganggo dial PASM sapertos Canon, Nikon, atanapi Sony, kuring sieun anjeun bakal ngandelkeun teuing kana fitur otomatis sareng henteu ngartos fungsi unggal segitiga paparan. Tong hariwang, Fujifilm, maksud kuring, masih tiasa nganggo fitur otomatis.Harga jual deui ogé kawilang murah, contona séri XT1, XT2, XT10, XT20, XE1, XE2, XE3, sareng XPro 1.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6650", "text": "Aya sababaraha sayuran anu kirang dipikaresep ku abdi nyaeta bonteng jeung tomat. Dua sayuran ieu sami-sami gaduh biji nu seeur caina. Tomat rasana rada haseum jeung tekstur dagingna rada genyur matakna abdi kirang resep. Bonteng oge rasana rada pait jeung heuras dagingna. Tapi upami bonteng sareng tomat dipasak janten sayur abdi tiasa ngaemamna. Sapertos tomat anu dicampurkeun ka endog dadar abdi resep. Bonteng oge, upami didamel sayur koneng jeung lauk rasana beda deui. Abdi teu resep tomat jeung bonteng sanes lantaran teu resep sayur, abdi resep pisan sayur, tapi sayur anu atah keneh abdi kirang resep sabab biasana sayur atah gaduh rasa anu pait.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1969", "text": "unggal booking hotél kuring mindeng masihan informasi, ulah kamer nu pang ujungna kumargi pernah kajidian nginep didinya ujug-ujug kira-kira jam 1 peuting kamar kuring digedor-gedor ku lalaki nu teu kanyahoan nu matak kuring sieun pisan, malah nyekel telepon kamar nelepon ka resepsionis kuring ge oyag, ker kitu teh kaamanan datang, tétéla lalaki éta ternyata mabok jeung salah kamar sabab kamarna hareupeun kamar kuring. Tapi ti saprak kajadian éta, unggal kuring booking hotél, kuring sok masihan tetela yen ka resepsioneis, olah kamar nu pang tungtungna.jadi sakali deui, ulah poho pikeun ménta kamar, ulah aya di tungtungna, utamana lamun anjeun awewe jeung sorangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9064", "text": "Léngkah munggaran upami urang badé ngajual barang di Shopee, ngadaptar heula sareng ngadamel akun dina aplikasi Shopee. Urang diwajibkeun gaduh akun email sareng nomer sélulér anu aktip. Sanggeus junun nyieun hiji akun, urang bisa ngamimitian muka toko, ku ngaklik seller center di belah kénca juru luhur, jeung eusian profil toko urang, nu ngawengku ngaran, déskripsi, poto profil, jeung gambar spanduk. Salajengna urang kedah ngunggah produk anu bakal ditawarkeun ka konsumén. Sangkan leuwih narik, pastikeun urang nyiapkeun poto produk anu kualitasna alus. Tong hilap eusian detail produk kanggo ngalengkepan poto produk, sapertos nami produk, jinis, deskripsi, ukuran, merek, sareng seueur deui. Tungtungna, anu kedah urang laksanakeun nyaéta promosikeun barang-barang anu dijual, urang ogé tiasa ngabagikeunana dina platform média sosial anu sanés.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2832", "text": "Anyar-anyar ieu, seueur anu resep EV hoyong ngawangun mobil listrik sorangan. Dibarengan ku pasanggiri balap mobil listrik nu teu eureun-eureun. Masalah anu sering timbul nyaéta kabingungan anu dialaman ku para pemula. Sacara umum, dina nyieun rakitan mobil listrik, aya 4 léngkah anu kudu diperhatikeun. Di antarana:\r\n1. Pamilihan model kerangka.\r\n2. Penetapan sistem gantung.\r\n3. Jinis drive motor jeung kakuatan motor.\r\nTapi lamun ngan ukur ngalakukeun konversi (move) tangtu waé aspék nomer 3 anu perlu diperhatikeun. Sistem konversi ieu biasana sacara efektif dilaksanakeun dina naék mobil listrik / kanggo nyéwa di tempat wisata. Awak sareng sasis mobil listrik ieu biasana dijual siap-siap, di Yogyakarta tiasa dipendakan di Jl.jalan lingkar kalér, atanapi di daérah Alun-alun Kidul, Yogyakarta.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6479", "text": "Nyiapkeun dana darurat teh mangrupakeun hiji hal penting pisan nu kudu dilakukeun. Dana darurat teh kudu disiapkeun sadini mungkin supaya bisa saeutik-saeutik ngagundukna. Loba kajadian dina kahirupan anu teu bisa diprediksi, komo sakapeung mah nepi ka nurug nutuh datangna teh. Dina ngantisipasi hal eta teh kudu pisan aya dana darurat. Peran dana darurat teh jang nyaimbangkeun kauangan dina kaayaan anu pangpelikna. Misalna mun gering, butuh dana jang berobat atawa pengobatan, bisa make dana darurat. Mun kena musibah, bisa make dana darurat, oge sagala hal anu teu bisa diprediksi kadatangan nana. Jadi, biasakeun ti ayeuna nyiapkeun dana darurat supaya teu kateteran teuing pas ninggang pangabutuh loba.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8840", "text": "Mangsa keur di sakola dasar, kuring kacida resepna mun geus diajak ku babaturan nongton nu tanding maen bola di lapangan desa. Wanci sore sabada solat ashar, babaturan geus nampeu di buruan. Dina saku calananamerekis ku kulub kacang jang engke didahar bari nongton. Kuring jeung manehna laju muru lapangan bola nu jarakna teu pati jauh ti imah kuring. Tepi ka nu dituju kuring jeung manehna neangan tempat nu merenah pikeun diuk. Nu jadi pilihan nyaeta handapeun tangkal jeungjing nu kawilang geus aya umuran da akarna geus muncul ka luhur jadi bisa dijadikeun tempat keur dariuk. Bari panon manco ka nu keur maen di lapang, teu poho leungeun kuring jeung babaturan anteng mesekan kacang tuluy am dihuapkeun. Saking ku anteng, teu karasa pertandingan geus lekasan. Kuring jeung babaturan carengkat rek mulang ka imah sewing-sewangan, ngabring jeung panongton nu sejen. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7417", "text": "Kaulinan komputer anu disadiakeun ku Microsoft seeur anu janten paporit barudak leutik jeung seeur ngajadikeun sasatoan janten ikon kaulinan na. Salah sahijina kaulinan Varmintz. Kaulinan ieu tos mulai aya ti taun 2004. Di kaulinan ieu urang kedah ngajalankeun rubah pikeun ngumpulkeun endog anu aya di sababaraha tempat sapertos di kebon atawa di sisi jalan. Tapi salila urang neangan endog, di sajajalaneun bakal aya nu ngahalangan janten urang kedah waspada. Salian ti halangan, urang oge disadiaan kauntungan sapertos tiasa janten transparan sangkan teu bisa ditabrak. Lamun urang tos tiasa ngumpulkeun seeur endog emas, urang bakal tiasa pindah ka tempat anu sanesna, janten urang teu bosen. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "130", "text": "Taun kamari pas urang masih aktif di Wedding Organizer, aya salah sahiji pagawe nu tepang taun. Tim inisiatif nyewa hotel jang mere kejutan ka manehna. Hotel nu ku tim sewa nyaeta Hotel Oasis Siliwangi, anu aya di Jalan Lombok Bandung. Lain euweuh alesan naha bet nyewa didieu, sabab hargana murah jeung bisa sakalian ngojay di kolam renang. Jadi arurang geus siap mawa pakean ganti. Urang datangna rada telat nyaeta peuting, nungguan heula di lobi bari neleponan si Bayu, sabab urang can apal kamar nomer sabaraha na. Sanggeus dibere nyaho urang asup. Di jero geus lengkep aya kabehan, tinggal si Darryl nu can datang sabab masih gawe. Teu poho oge nyewa kasur tambahan, sabab lobaan nu mondok di hotelna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9325", "text": "Kahirupan di kampung leutik biasana mah teu aya bédana, kaasup kana urusan kaimanan. Nanging, kaayaan anu kontras pisan tiasa dipendakan di kota-kota ageung, dimana jalma-jalma asalna ti sababaraha daérah sareng tangtosna gaduh latar belakang anu béda. Lamun aya tatangga anu béda kapercayaan jeung urang, urang kudu hormat ka aranjeunna. Teu perlu ningali handap dina panon atawa nganggap jalma éta béda. Salami anjeunna henteu ngaganggu kayakinan urang, maka urang henteu gaduh hak pikeun ngaganggu kapercayaan manehna. Kapercayaan teh hak urang sarerea, ku kituna urang ulah nyieun batur ngarasa kaganggu ku sikep urang. Hirup bakal tengtrem lamun urang silih hormat jeung ngahargaan, sabab urang oge teu resep lamun aya nu ngaganggu kayakinan urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8296", "text": "Pikeun nyieun toko anjeun gampang pikeun manggihan, anjeun tiasa ngalakukeun perkawis- perkawis sapertos. Kahiji ngadaptarkeun halaman web anjeun ka Google Search Console. Ku ngagunakeun GSC, anjeun tiasa ngaoptimalkeun situs web bisnis anjeun supados tiasa gampang muncul dina pamilarian Google. Kadua, pake Google My Bussines. Ngagunakeun Google My Business ngagampangkeun palanggan pikeun kengingkeun inpormasi ngeunaan toko anjeun. Kawas alamat lengkep sareng produk anu anjeun jual. Nerapkeun pamasaran digital. Nu katilu, salian ti ngagunakeun GSC sareng Google Business, anjeun tiasa nganggo Google Trends pikeun ngaoptimalkeun proses milarian produk anjeun dina internet. Ku ngagunakeun Google Trends anjeun tiasa terang ngeunaan tren anu kajantenan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2816", "text": "Kusabab harga listrik langkung mirah dibandingkeun sareng BBM, pikeun jarak tempuh anu sami biaya operasi mobil BEV bakal langkung handap tibatan mobil ICE. Mobil BEV teu ngahasilkeun émisi knalpot, sareng sepi. Panas nu dihasilkeun ku motor listrik jauh leuwih handap tina mesin dina mobil konvensional (ICE). Janten bahan kedap sora sareng panas mesin mobil BEV henteu kedah kandel sapertos mobil konvensional nganggo mesin ICE, anu ngajantenkeun atenuasi bising jalan tiasa langkung ningkat. Tungtungna, mobil BEV bakal langkung nyaman pikeun nyetir tibatan mobil ICE. Tapi mobil listrik ayeuna (BEV) masih boga sababaraha kalemahan. Salah sahijina nyaéta harga jual anu kawilang luhur dibandingkeun sareng mobil konvensional anu nganggo mesin ICE; Anu jadi sabab utama nyaéta téknologi batré anu ayeuna masih mahal. Pabrikan mobil BEV kedah taliti ngitung kapasitas batré supados harga jual janten terjangkau.\r\nSupados hargana langkung mirah, kapasitas batré henteu tiasa ageung teuing, akibatna jarak tempuh janten (relatif) terbatas; sanajan pikeun ngungkulan masalah jarak tempuh bisa diungkulan ku cara pangwangunan infrastruktur stasiun pengisian (Stasiun Pengisian).", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7625", "text": "Konsep wirausaha anu katilu nyaeta kedah gancang. Hal ieu maksudna nyaeta kamampuan saurang dina ngalakukeun gerakan anu silih sinambungan dina waktos anu saenggal-enggalna. Saurang pangusaha kedah gancang dina ngajieun inovasi sangkan bisa maju nyanghareupan tangtangan pasar jeung kamampuan saurang pangusaha dina ngelehkeun saingan dina bisnisna. Konsep anu kaopat nyaeta kalenturan nyaeta kamampuan saurang pangusaha dina nyasuaikeun kahirupan di mana wae manehna cicing. Hal ieu oge patali jeung kamampuan adaptasi, janten ditempatkeun di mana wae, manehna kedah tiasa usaha. Konsep anu kalima nyaeta kakuatan. Kakuatan mangrupakeun kamampuan kondisi fisik manusa anu bakal dibutuhkeun jeung penting pisan dina kagiatan wirausaha lantaran tiasa ngarojong konsep anu sanesna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "540", "text": "Kujang nyaeta sajenis senjata tradisional nu asalna ti Pasundan. Senjata ieu baheulana dipake ku masarakat di Provinsi Jawa Barat kanggo tatanen. Tapi leuwih ti eta, geuningan senjata ieu oge boga makna jeung filosofis. Senjata ieu dipikanyaho mimiti dijieun sakitar abad ka-8 nepikeun ka 9. Senjata ieu dijieun ku kaum patani. Eta ku sabab senjata ieu deukeut pisan jeung budaya tatanen masarakat Sunda. Baheula senjata ieu kaasup kana pakakas jang ngahuma nu ngawakilan tradisi sangkan hirup masarakat bisa lumangsung. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis pas taun 1518 aya informasi ngeunaan kumaha pentingna senjata ieu jang masarakat Sunda pas zaman bareto.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2007", "text": "Kusabab lolobana urang saméméh atawa sanggeus saré biasana ngagolér dina ranjang . Aya seueur kagiatan positip anu tiasa dilakukeun nalika bobo. Maca buku. Coba maca buku dina wangun kertas atawa lamun geus puguh, Anjeun bisa make Kindle a. Kindle dirancang khusus salaku e-paper pikeun maca buku sareng tangtosna henteu ngaganggu jalma-jalma di gigireun anjeun sabab lampu anu dipancarkeun henteu terang teuing, cekap pikeun dibaca sareng anjeun henteu kedah ngaktipkeun kamar anjeun. cahayaan. Panginten kuring henteu kedah ngajelaskeun mangpaat maca di dieu. Dengekeun Audiobooks. Upami anjeun ngadangukeun buku audio wengi, éta tiasa ngajantenkeun anjeun bobo gancang, numutkeun pangalaman kuring. Buku audio cocog pikeun anjeun anu resep podcast atanapi resep maca buku tapi males maca", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7067", "text": "Nuzulul Qur’an nyaeta mangrupakeun kajadian turunna Al-Qur’an ka Nabi Muhammad SAW. Sacara basa, Nuzulul Qur'an asalna tina dua kecap, nyaeta Nuzulul (nurunkeun hiji hal ti tempat nu luhur ka tempat nu handap) jeung Al-Qur'an (kitab suci umat Islam). Ku kituna, Nuzulul Qur'an bisa dihartikeun minangka kajadian turunna Al-Qur'an ti tempat anu luhur ka muka bumi. Nuzulul Qur'an gaduh seeur pisan kautamaan, matak teu heran umat muslim paboro-boro pikeun meunangkeun kautamaan ieu. Kautamaan na nyaeta janten peuting anu pang saena dibandingkeun jeung 1000 sasih. Kacida kumaha seeurna pahala anu bakal dihontal lamun urang ngalakukeun amal soleh di peuting ieu. Hiji amalan sarua lobana jeung ngalakukeun amalan eta salila sarebu sasih.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5022", "text": "Kawah Gunung Galunggung teh mangrupakeun salah sahiji wisata paporit masyarakat. Aya nu unik tina akses pendakian ka puncak jeung kawahna, nyaeta tangga. Nya, leres, akses ka kawah gunung Galunggung teh kedah ngaliwatan sakira genep ratus leubih anak tangga. Wisata kadieu mah itung-itung olahraga bitis we. Jadi lain saukur pamandangan na nu endah, tapi oge pengunjungna nu bakal sehat da olahraga heula. Tah pamandangan di puncakna endah pisan, tiasa ningali kawahna jeung pamandangan kota Tasikmalaya. Biwir kawah mangrupa pasir hideung nu manjang oge cocok jeng popotoan. Komo ayeuna mah aya darmagaan, tempat popotoan nu nyanghareup langsung ka pamandangan perkotaan. Duh kacida endahna ieu tempat wisata. Tos kantos kadieu teu acan? yuk ah nu teu acan wajib pisan kadieu jang popotoan!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "845", "text": "Eskul basket di sakolaan urang kurang populer, beda jeung di perkotaan mah, anu kapopuleranna sarua jeung eskul sepak bola. Urang ngarti kunaon teu populer teh, lantaran dina segi fisik wae biasana pas pertandingan, pelatih leuwih miheulakeun nu fisikna jangkung tibatan nu pendek. Di tambah di sakolaan urang teh, euweuh lapangan khusus basket. Ayana lapangan khusus sepak bola. Jadi pas waktuna eskul teh, mindeng neangan lapangan ka luar daerah nu di sabudureun sakolaan. Nu akhirna mah siswa nu kudu nyewa lapangan. Harga sewana oge lumayan, ieu can tangtu kabeh siswa bisa mayar. Acan deui masalah sapatu basket jeung kostumna, loba siswa nu ngeluhkeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4081", "text": "Sholat fardu nyaeta sholat anu hukumna wajib sapoe aya lima kali nyaeta sholat shubuh di waktu matahari rek terbit, shoalt dzuhur di waktu siang keur matahari aya di luhur, sholat ashar nyaeta matahari geus mulai rek turun, sholat magrib di waktu matahari tenggelam terus nu terakhir sholat isya nu waktu na paling panjang di peuting. Sholat teu asal asalan aya syarat sah wajib sholat atanapi rukun sholat nu kudu di perhatikeun nu di mimitian ku niat, takbiratuk ihram, maca al- fatihah, rukuk, i'tidal, dua kali sujud, diuk dianatar dua sujud, maca attahiyat terus salam. Sakabeh na di lakukeun tertib sacara berurutan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9354", "text": "Mandi atawa berendem dina cai haneut ogé jadi salah sahiji cara nungkulan stress, sabab kagiatan ieu éféktif dina neken kanaékan kortisol, atawa hormon nu memicu stress. Mandi atawa berendem dina cai haneut ogé mantuan awak, utamana otot, pikeun leuwih santai. Suhu cai nalika mandi atawa berendem mangaruhan mangpaat anu dirasakeun ku awak urang. Pangaruh mandi haneut bakal ngirangan setrés sareng ningkatkeun kagiatan sél getih bodas pikeun naekeun sistem imun. Supados hasil anu maksimal, urang tiasa nempatkeun lilin atanapi seungit aromaterapi, sapertos seungit kembang lavender di kamar mandi nalika mandi atanapi berendem. Salian rélaxasi sabab bisa ngaleungitkeun setrés, mandi haneut ogé mantuan awak jadi gancang saré. Kalayan saré awak urang bakal istirahat sareng seger nalika urang hudang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2728", "text": "Baheula ker basa urang masih di kampus, urang sok nonton futsal nu diayakeun ku Unpad jeung Badan Eksekutif maha siswa na, ayeuna pertandingan nu juduna forsi atawa pekan olahraga nu dia ayakeun jang ngareah reah masarakat nu aya yaeta dosen , mahasiswa , tendik jeung Tata usaha, paratandinganana sok aya di Bale santika nu aya di jero unpad, biasana sok di mulai na atanapi di kawitan na isuk atanapi sorena kumargi ker can loba mahasiswa na mereunan nana mah han biasana sok ricuh ker basa final na teh, rek dosen rek mahasiswa mani fanatis pisan ker ngadukungna atanapi disebut suporter atau ultras, biasana nepi ka adu silat di lapangan ai geus anggeus teh, resep pisan ker basa eta teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8897", "text": "Salah sahiji robot canggih anu ngabantuan pagawéan manusa nyaéta robot RIBA atawa Robot for Interactive Body Assistance anu bisa jadi robot kawas perawat. Robot canggih ieu dikembangkeun sareng diciptakeun ku RIKEN kalayan program ngangkat atanapi ngangkut pasien rumah sakit, supados pasien langkung nyaman sareng padamelan perawat ogé tiasa langkung gampang. Tapi, robot ieu ngan ukur mampuh mawa pasien anu beurat awakna teu leuwih ti 61 kilogram, leuwih ti éta teu bisa maké ieu robot. Henteu ngan ukur mawa, robot RIBA ogé dilengkepan ku sénsor sora, sangkan bisa mikawanoh sora perawat atawa pagawé rumah sakit. Éta sabab robot RIBA tiasa ngadeteksi rupa sareng sora perawat rumah sakit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5463", "text": "Salaku suku Sunda di Jawa Barat, urang kedah apal kana benda sejarah mangrupa senjata kujang nu jadi ciri khas Jawa Barat. Loba buda ngora ayeuna nu ngan apal bentukna kujang, malahan mah teu apal kana sajarah jeung makna simbol nu dikandung senjata kujang. Hal ieu nunjukkeun bahwa katertarikan budak ngora ayeuna kana peninggalan sejarah teh masih minim pisan, bahkan tos teu aya. Sapatutna urang ngajaga warisan budaya karuhun urang, komo ieu nu bentukna benda. Ku kituna, yuk ah urang salaku budak ngora kedah bisa ningkatkeun perhatian jeung katetarikan kana peninggalan sejarah salah sahijina nyaeta senjata kujang! Tong nepi ka ieu peninggalan pusaka teh kajoledarkeun!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5409", "text": "Vihara mangrupakeun tempat ibadah umat agama Buddha. Vihara terdapat di kota-kota saluruh Indonesia. Umat Buddha biasa oge nyebut vihara ku sebutan kuil. Vihara gaduh arsitektur nu menarik, nu nyirikeun kekhasan bangunan umat Buddha. Di Indonesia, umat Buddha mayoritas etnis Tionghoa. Vihara, salian jadi tempat ibadah umat Buddha oge jadi tempat wisata religi nu cukup diminati ku kalangan masyarakat Indonesia. Komo mun perayaan hari besar Buddha, biasana vihara leuwih rame ti poe biasa. Mun beres ngayakeun ibadah, pengunjung vihara atawa para wisatawan diperbolehkeun jang ngunjungi vihara. Hal ieu jadi hal alus jang kabelangsungan toleransi antarumat beragama di Indonesia supaya leuwih memahami kana agama lain.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "919", "text": "Oppo Reno 6 salah sahiji smartphone nu asup kana kategori gaming. Smartphone ieu boga kualifikasi nu ngadukung jang ngajalankeun rupa-rupa game anu mana pas ngamaenkeunna lancar. Ngeunahna teh pas keur maen game mun muncul pemberitahuan boh eta tina WA atawa pemberitahuan ti aplikasi sejen moal ditampilkeun, jadi moal ngaganggu pas keur maen game teh. Smartphone ieu oge mere fitur floating window, jadi bisa digunakeun pas maen game jeung muka aplikasi nu sejen sacara barengan. Jadi salian ti maen game urang oge bisa muka kagiatan sejen, siga muka sosial media atawa ngawaler WA pas keur maen game. Di smartphone ieu oge aya fitur Quick Startup anu bisa angsit game pas keur dimuat.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9424", "text": "Non-stick pan atawa wajan anti lengket nyaeta jenis pan anu ngabogaan palapis pelindung nu nyegah dahareun nempel dina ieu wajan. Wajan ieu mangpaat pisan pikeun masak kadaharan saperti endog, roti, daging, jeung sajabana. Wajan anti lengket oge mibanda sababaraha kaunggulan sejenna, saperti gampang dibersihkeun, teu merlukeun loba minyak atawa margarin nalika masak, sarta teu gampang keuna goresan atawa ruksak. Wajan anti lengket biasana dijieun tina bahan sapertos keramik, teflon, atanapi bahan-bahan sejen anu miboga kakuatan. Biasana wajan anti lengket ieu dipake di dapur-dapur moderen. Nanging kitu, ayeuna geus biasa dipake oge ku loba jelema. Wajan anti lengket atawa urang Sunda biasa nyebutna teplon ieu bisa ngabantu dina proses masak. Bentukna anu rata dina alasna jadi jieun panas seuneu rata.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7164", "text": "Abdi sareng kulawargi datang ka Jogja lantaran aya acara kulawargi. Lamun ka Jogja moal pas rasana lamun teu meser oleh-oleh. Bakpia janten ole-oleh anu wajib lamun ka Jogja, baheula abdi kirang resep kana bakpia lantaran eusina kacang hejo, lamun ngadahar hiji wae oge tos wareg pisan, tapi ayeuna mah tos seeur pisan bakpia anu eusina rupi-rupi, aya nu dieusian coklat, keju, hui ungu, duren, nepikeun aya oge anu rasa tiramisu. Abdi paling resep kana bakpia anu baseuh janten rasana teh tiasa nyampur jeung eusian na na. Paling resep mah meser Bakpia Pathok 25, pernah sakali abdi meser anu sanes, tapi tetep paling resep Bakpia Pathok 25.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6539", "text": "Kahirupan urang desa mah rata-rata leuwih sehat tibatan kahirupan urang kota. Di desa mah ka mana-mana teh sok didangkalan ku leumpang, ka kebon ge leumpang, jadi awakna sok kagerakeun. Tah hal ieu teh mantak sehat kana awak jeung oge sehat jang kahareupna. Tuluy tinu segi dahareun oge leuwih sehat deuihan. Biasana urang lembur mah mayoritas patani, aya oge nu sok pepelakan palawija di pipireun imahna, mantak mun rek dahar teh metikan ngadadak tina tangkalna. Dipelakna ge deuih organik tanpa bahan kimia, jadi pepakan teh sok tumbuh sorangan. Mantak teu aneh mun awakna ge sok jagjag jeung sehat sabab kabiasaan hirup tina sagala nu diolah sorangan. Mantak, yuk biasakeun hirup sehat ku ngonsumsi meunang melak sorangan beh kasehatannana terjamin!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2253", "text": "Sanes Salahuddin Yusuf Al Ayyubi atanapi anu katelah ku Barat salaku Saladin, anu biasa teuing, tapi Yusuf anu asalna ti nagara Islam barat, Maroko sareng Semenanjung Iberia. Pahlawan nu teu didenge ku arurang, pahlawan. Sumuhun, Yusuf bin Tasyfin ti dinasti Murabithun, atawa Almoravids. Lamun Saladin junun ngusir Tentara Salib di siria, jeung Mesir, mangka Yusuf bin Tashfin junun nahan Tentara Salib di jazirah Iberia, spayol. Lamun Saladin meunang Perang di Hittin, lajeng Yusuf bin Tasyfin ngéléhkeun Castile dina Perang Zallaqah. Yusuf Saladin di wétan jeung Yusuf bin Tasyfin di kulon. Islam ngajarkeun ka sakumna umatna sangkan salawasna mikanyaah jeung mikanyaah.. Anu kudu dipiboga ku pamimpin agama nyaéta salawasna bisa ngaréspon kana hal-hal kalayan welas asih. Boh lisan boh paripolahna, salian ti éta Ustad Buya Yahya ogé negeskeun yén meunang ridho Alloh kudu jadi udagan utama naha mutuskeun ngalaksanakeun Amanah salaku tokoh agama. Ieu wangenan kumaha carana sangkan jadi tokoh agama sangkan masarakat nurut, numutkeun Ustad Buya Yahya, mugi-mugi tiasa janten inspirasi ka sadayana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4129", "text": "Saenggeus bulan puasa atawa bulan ramadhan bakal datang hari besar keur ka agamaan urang islam nyaeta idul fitri atawa mun di indonesia biasa di sebut Lebaran. Idul Fitri nandaan akhir puasa Ramadan sarta biasa di sebut poe kamenangan, menang ti sagala hawa nafsu jeung godaan nu ges di lakukeun di bulan puasa atawa bulan ramadhan. . Makna spiritual anu dikandung di dinya salain muhasabah jeung kabagjaan, Idul Fitri ogé mangrupa waktu pikeun sedekah, anu katelah Zakat Fitri. Idul Fitri dimaksad janten konci kabungahan sareng barokah pikeun sadaya umat Islam sareng waktos ngabagi harta ka jalma anu teu mampuh pikeun ngabagi kabagjaan dina lebaran.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7965", "text": "Baheula, sateuacan aya gojek, urang biasana nganggo ojek pangkalan biasa. Abdi sabenerna kaasup jalmi anu tara nganggo ojek pangkalan lantaran ongkosna anu awis, sakali naek pasti urang kedah ngaluarkeun duit saminimalna lima rebu. Tapi ojek pangkalan ieu yeh sok janten pilihan lamun urang keur buru-buru bade ka hiji tempat, komo lamun keur hujan jeung lamun mawa bawaan anu loba. Tapi saprak aya ojek online abdi janten leuwih mineng nganggo ojek online kamamana, komo pas mimiti aya ojek online atawa Gojek abdi hampir uanggal poe nganggo lantaran ongkosna mirah pedah aya promo ongkos, rek jauh rek dekeut ngan sapuluh rebu rupiah hungkul. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3559", "text": "Janten dina 20 April, kuring ngahubungi anjeunna sareng naroskeun harga sup iga sareng lantai naon tempatna unit éta. Kusabab urang duaan dina grup WhatsApp pikeun ngagaleuh sareng ngagaleuh.\n\nLajeng nalika kuring nanya, anjeunna tatangga kuring di unit. Bener di gigireun. Abdi unit 5, anjeunna unit 6. Padahal kuring pindah ti Désémber 2019. Kuring kakara papanggih April 2020. Bayangkeun.\n\nJujur, kuring gampang diajak ngobrol. Ngan kusabab ieu mangrupikeun tempat tinggal teras, sanés situs, nuansana rada béda. Katambah-tambah kuring isuk-isuk balik gawe jeung balik ka imah sore.\n\nKuring sering ningali anjeunna sababaraha kali, nalika kuring ngaluarkeun sampah atanapi leumpang dina lift. Tapi enya, éta normal pikeun isin. Masalahna nyaéta anjeunna lucu pisan, bodas, gaduh penampilan anu khas.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4641", "text": "Robot ApriPoco tétéla bisa ngadalikeun sagala jinis remotes, saperti remotes AC, remotes TV, remotes muka konci jeung saterusna. Sajaba ti éta, robot ieu ogé bisa nyarita jeung mikawanoh paréntah sora (komando sora dioperasikeun). Robot canggih ieu di jieun ku perusahaan terkenal nyaeta Toyota. Robot ApriPoco diprogram pikeun fungsina salaku controller kadali jauh universal. ApriPoco tiasa ngadeteksi sagala jinis remotes liwat sambungan infra red (InfraRed). Upami tugasna ges réngsé, robot ieu bakal nanyakeun naon anu kudu dilakukeun salanjengna. Boga robot ApriPoco ieu ngabantu pisan urang keur ngalakukeun sagalana di imah, jadi teu kudu riweh riweh kudu ngalakukeun itu jeung ieu. Urang kari parentah robot anu ngalakukeun, praktis pisan nya.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7391", "text": "Dina olah raga tinju, make sarung tinju teh wajib. Sanes janten pakarang (sakumaha fungsina di jaman baheula), sarung tinju sabenerna dirancang kumaha carana supados tiasa janten panyalindungan. Sarung tinju gaduh sababaraha jinis anu dibedakeun ku beuratna. Anu pang hampangna nyaeta 8 ons, teras 10 ons, 12, 14, 16, 18, jeung anu pang beuratna 20 ons. Sarung tangan ukuran 12 dugi ka 20 ons umumna dianggo nalika latihan nganggo kantong atanapi sparring. Samentara eta, pikeun tarung anu resmi, umumna sarung anu dipake dina ukuran 8 jeung 10 ons. Sarung tangan 10 ons paling sering dianggo ku petinju profesional, tapi dina kelas anu langkung hampang leuwih milih ukuran 8 ons.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7992", "text": "Salah sahiji patuangeun nu asalna ti tanah Sunda, nyaeta seblak. Patuangeun nu tos kakoncara ieu dijieun tina kurupuk anu dikeeum ku cai panas. Kusabab dikeeum kurupuk jadi liat nu ngajadikeun ieu patuangeun boga tekstur anu leuleus atawa hipu. Salian kurupuk, seblak biasana ditambihan ku sayur-sayuran, sosis, baso, atawa ceker hayam. Perpaduan bahan-bahan eta ditambih ku bumbu-bumbu nu dipake kur masak ieu patuangeun ngajadikeun seblak jadi primadona jajanan khas Sunda. Rasa ieu patuangeun anu gurih sareng lada cocog pisan didahar panas-panas komo lamun keur hujan atawa didahar di tempat nu tiis siga Lembang tur Puncak. Seblak nu biasana dijieun sakaligus loba cocog oge didahar jeung rerencangan atawa kulawarga. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2732", "text": "Aya ti ping 18 nepi ka 20 Maret 2022. Pikeun urang Indonésia anu geus nungguan informasi tikét, penjualan tiket MotoGP Mandalika, ogé hotél jeung panginepan, ogé tiket perjalanan, bisa langsung dipesen dina aplikasi jeung website tiket.com, dimimitian poe ieu Kemis 6 Januari 2022. Ieu 5 léngkah gampang pikeun meuli tiket MotoGP Mandalika dina aplikasi tiket.com:\n1. Buka aplikasi tiket.com terus pilih Kategori MotoGP\nPikeun anu henteu gaduh aplikasi tiket.com, unduh aplikasina langsung di AppStore sareng Google PlayStore. Sanggeus éta, buka aplikasi tiket.com tur pilih kategori MotoGP.\n2. Klik \"Beuli Tiket\" tur pilih menu nu dipikahoyong\nSaatos mendakan kategori MotoGP, klik tombol \"Beuli Tiket\" sareng pilih pakét anu sayogi.\n3. Pilih tanggal hiji jeung ulah poho jumlah tiket\nLengkah penting salajengna tangtu milih tanggal jeung jumlah tiket. Mangga ngalakukeun pangalusna anjeun pikeun mastikeun yén tanggal jeung jumlah tiket teu lepat.\n4. Pariksa sakali deui jeung geura mayar\nKami disarankan pikeun pariksa sakali deui pikeun mesen tikét MotoGP. Upami sadayana leres, maka anjeun tiasa langsung mayar.\n", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5108", "text": "Fotografi jadi salah sahiji hobi nu cukup menjanjikan dina segi kauangan. Jalmanu hobi na fotografi berpotensi pisan jadi fotografer. Fotografer tiasa nawarkeun jasa fotografi jiga dina acara wedding, promosi produk, atawa acara wisuda jeung sajabana. Mun paling santai mah nyaeta foto produk, tiasa produk makanan, produk pakean, jeung sajabana. Pami foto produk mah biasana kerja sama sareng perusahaan tertentu. Aya oge peluangna dina jasa edit foto. Edit foto kangge promosi atanap kangge konsumsi pribadi oge jadi peluang kangge fotografer kenging acis. Tapi, sagalana ge sabanding jeung nu dikaluarkeun, boa tanagana, boa modalna, jeung elmuna oge. Pangpang na mah fotografi teh ku leukeunna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4223", "text": "Parang sawalaku jeung tumbak kaasup kana jenis pakarang tradisional khas Maluku. Dua pakarang ieu pageuh napel dina kahirupan masarakat Maluku, boh dina nyumponan pangabutuh sapopoé boh nu patali jeung budaya. Parang sawalaku mangrupa pakarang tradisional khas wewengkon Maluku dina wangun parang jeung tameng. Golok panjangna 90-100 séntiméter. Golok dijieun tina beusi husus. Sirah parang dijieun tina kai beusi atawa kai gapusa. Sedengkeun sawala mah dihias ku motif-motif anu ngalambangkeun kawani. Sawalaku dijieunna tina kai teuas. Golok sawalaku digunakeun pikeun kaperluan perang jeung moro sato. Salian parang sawalaku digunakeun pikeun tarung jeung moro sato, Ieu parang sawalaku biasa digunakeun dina pagelaran Tari Cakalele. Para penari lalaki baris nari bari mawa parang dina leungeun katuhuna, minangka lambang harkat martabat masarakat Maluku anu kudu dijaga. Bari leungeun kéncana ngeukeupan salawaku.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5809", "text": "Mun nuju aya kagiatan pekan kreativitas siswa teh sok diayakeun pertandingan bola voli antarkelas. Biasana mah pertandinganna digelar ti isuk keneh nepi ka sore. Unggal kelas nu tanding teh wajib mawa supporter saheboh mungkin jang nyemangatan tim kelasna nu keur tanding. Jadi, solidaritasna teh memang ngahaja dibentuk ku ieu kagiatan pertandingan. Mun nuju tanding teh kelas abdi mah sok ngahaja meser minuman jang nyemangatan nu tandingna. Tuluy oge sok paling heboh nyuporteran nana sabab supaya nu maenna semangat jeung percaya diri. Ieu kagiatan teh jadi kagiatan nu diarep-arep pisan ku para siswa sabab bakal pere diajar, digantianna ku memeriahkeun kagiatan pekan kreativitas siswa.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9494", "text": "Ngeusian waktos luang ku maca mangrupikeun kagiatan anu penting pisan pikeun dilakukeun. Kahiji, maca bisa ngalegaan cakrawala jeung pangaweruh urang. Ku maca, urang bisa manggihan ideu anyar jeung ngalegaan cakrawala pamikiran urang. Sajaba ti eta, maca oge bisa mantuan urang ngartos konsep anyar jeung elmu nu leuwih luas. Kadua, maca tiasa janten cara anu efektif pikeun ngirangan setres sareng ningkatkeun kualitas hirup sapopoe. Katilu, maca oge tiasa nyieun urang santai sareng ningkatkeun kabagjaan kusabab loba buku anu bisa jadi hiburan. Kaopat, maca oge bisa jadi kagiatan anu mere urang pandangan anyar pikeun hiji masalah. Urang bisa milih buku luyu jeung kapentingan jeung kabutuhan urang, sangkan bisa mere sudut pandang anyar jeung ngarasa sugema sanggeus maca. Ku kituna, ngeusian waktu luang ku maca mangrupa kagiatan anu kacida penting jeung mangpaat pikeun dilakonan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5088", "text": "Salah sahiji kagiatan mun aya waktu luang nyaeta jalan-jalan. Hal ieu jadi kagiatan rutin hampir sadaya jalma. Jalan-jalan ieu teh dijamin bisa ngababrahkeun pikiran tina kapenatan aktivitas sapopoe. Loba nu jalan-jalanna jarak deukeut, aya oge nu jalan-jalan na dugi ka luar kota. Saolah ayeuna mah jalan-jalan teh jadi kabutuhan mental unggal jalma. Zaman ayeuna mah disebutna teh healing, atawa jalan-jalan jang kasehatan mental. Tah, hal eta teh penting pisan sabenerna jang ngusir kapenatan jeung kajenuhan urang. Jalan-jalan oge bisa jadi sarana berpikir jang urang supaya leuwih bersyukur kana kaayaan. Mun jalan-jalan tong hilap ngiring jajan ka warga sekitar itung-itung ngabantuan perekonomian nana.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "538", "text": "Ngenalkeun carita rakyat ka anak mibogaan sababaraha mangpaat jang anak. Nu kahiji carita rakyat mantuan anak ngarti kana dunya sabudureun maranehna. Dina carita rakyat umumna aya perilaku panutan jeung karakter-karakter nu ideal. Harepanna perilaku jeung karakter nu dicaritakeun di jerona bisa nuntun anak dina ngajalankeun kahirupan nu pinuh makna. Nu kadua carita rakyat numbuhkeun insting anak dina mecahkeun masalah. Dina carita rakyat, tokoh-tokohna mindeng nyanghareupan konflik nu kudu nyokot kaputusan nu hese. Sababaraha kaputusan nu tanggung waler bakal manggihan hasil akhir nu ideal, kitu oge sabalikna. Nu kaopat carita rakyat ngalegakeun wawasan budaya anak. Ku maca jeung ngarti carita ti rupa-rupa kultur, anak bakal meunangkeun wawasan, kapercayaan, nilai, sarta sajarah nu mangpaat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1587", "text": "Nyiapkeun diri jang kondisi bencana alam mangrupakeun hiji tindakan nu penting dilakukeun. Bencana alam bisa kajadian iraha jeung di mana wae, jeung mindeng kajadian oge tanpa ayana peringatan. Ku sabab kitu, urang kudu siap nyanghareupan situasi darurat ieu ku cara nyiapkeun kadaharan, cai nginum, obat-obatan, jeung sajabana. Pas nyiapkeun jang kondisi bencana alam aya rasa hariwang, jeung sieun ku sabab aya kemungkinanna bakal kajadian bencana alam. Tapi sanajan nyiapkeun diri jang kondisi bencana alam bisa ngamunculkeun sababaraha perasaan anu hariwang jeung sieun, tapi akhirna mah hal ieu bisa mere perasaan anu aman. Urang bakal leuwih tenang jeung henteu deui panik.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3565", "text": "Hiji mangsa kuring naek ka Merbabu via Selo, kuring papanggih jeung rombongan reuni para wargi-wargi anu yuswana langkung ti 50 taun lulus ti kampus bond resmi, teu terang taun sabaraha. Jumlahna leuwih ti 20 urang.\n\nRombongan abdi tadina aya 5 urang, katambah aya 2 pasang pendaki anu ngagabung ka grup urang sabab harita aya larangan Merbabu dina 1 kelompok minimal 3 urang. Jadi aya 9 urang (3 awéwé, 2 haid kaasup kuring jeung 6 lalaki). Urang ngan bisa naek sanggeus maghrib sabab hujan badag sore éta.\n\nNalika urang lulus pos 1 urang patepung grup reuni. Tétéla aya hiji wanoja (sebutkeun Ibu Ida) anu keram dina sukuna. Jeung keram téh goréng.\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3994", "text": "Hawa nu adem sejuk tiris jeung minim polusi jadi alasan utama tasik jadi tempat favorite, tasik emang coocog pisan pikeun di jadikeun tempat keur nenangkeun diri. Di tasik sagala masih alami teu loba perubahan matak balik tasik mah sarasa bener bener balik ka desa. Bener- bener rasa na balik ka imah, jeung udara na nu enak, loba keneh sawah jeung kebon, masarakatna anu ramah dahareun anu murah pas pisan ngajadikeun tasik tempat paranti hidup tenang dimasa tua. Tapi meski kitu tasik ngabogaan oleh oleh kerajinan anyaman jeung bordir nu kasohor di indonesia. saperti bodiran alus, payung geulis, kelom geulis jeung sagala karajinan ayaman rotan, samak heung sagala na. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7971", "text": "Basa isuk-isuk abdi numpak angkot, abdi ngadangu emang sopir angkot anu aambekan lantaran panumpangna ngan saeutik, abdi sabenerna ngarasa sedih lantaran baheula mah basa pangaos ongkos angkot ngan sarebu rupiah hungkul seeur pisan jalmi anu nganggo angkot sapopoe. Pokona mah bakating ku pinuhna dina angkot teh nepikeun seseledekan. Ingte pisan lamun angkot pinuh teh pasti si sopirna ngomong lima tujuh, eta teh hartina korsi panumpang tiasa dieusi ku lima jeung tuju urang jalmi. Kabayang korsi panjang eta kedah dipinuhan ku tujuh jalmi. Tapi aya deui hiji korsi anu aya di tukangeun sopir anu nyanghareup ka panumpang anu sanesna, janten isin pisan lamun diuk di korsi eta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2750", "text": "Alegori \"lamun geus alus, naha kudu diganti?\" Sigana saluyu sareng léngkah-léngkah POCO pikeun ngajaga chipset Snapdragon 870 5G dipasang dina POCO F4. Kalawan kacepatan maksimum pisan luhur nepi ka 3.2GHz, chip hiji ieu memang favorit. Nyadiakeun kinerja luhur kalawan hawa dikawasa moderately. Adreno 650 GPU anu anjeunna bawa ogé ngadukung kaulinan kalayan tingkat refresh anu luhur. Samentara éta, pikeun pilihan RAM sorangan, éta sadia nepi ka 8GB ditambah hiji fitur ékspansi Mémori nepi ka 3GB, nyandak up kapasitas panyimpenan internal na. Sistem pendingin ogé dirarancang langkung ageung tibatan POCO F3, nyegah mendetna thortling nalika dianggo sacara intensif kanggo waktos anu lami. Lamun dipaké pikeun maénkeun kaulinan beurat, POCO F4 memang bisa maénkeun éta lancar pikeun lila. Awak pungkur bakal mimiti karasaeun haneut, tapi sahenteuna fps di buruan masih dijaga, tinangtu dimensi hape kawilang ipis.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2639", "text": "Saeutik pangalaman pribadi, kuring biasa latihan baskét lumpat ti imah ka lapangan baskét kira-kira 10 km, tuluy latihan jeung balik ka imah kalayan jarak anu sarua. Biasana abdi angkat ti bumi jam 3 sonten sareng dugi ka bumi jam 7 sonten. Ceuk jelema mah siga nu gélo lantaran teu ngamangpaatkeun fasilitas nu aya tur leuwih milih \"nyieun capé\", hehehe. Najan kitu, nalika di lapang kuring bisa lumpat leuwih gancang, awak kuring kuat jeung ulet, kuring pinter dina analisa, sarta tangtu sakapeung mah nyieun grub kuring meunang. Henteu ngan ukur capé, tapi kuring ngadisiplinkeun diri kumaha kerja keras sareng kerja pinter pikeun ngahémat waktos. Leres, éta anu urang karasa nalika ningali sareng nampi naséhat ti pelatih. Diajar disiplin, tanggung jawab, kerja keras, manajemén waktos, ketahanan mental, sareng nolak nyerah. Hésé ngaraos latihan, tapi sadayana bakal aya hasilna nalika urang suksés menang di atanapi di luar lapangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6513", "text": "Di lembur abdi teh ayeuna mah geus teu araya deui tatangkalan badag. Kabeh ge geus dituaran ku pihak nu teu tanggung jawab. Jadi ayeuna mah leuweung teh geus gundul pisan. Bencana longsor teh jadi saolah ancaman nu sawaktu-waktu bisa nimpa warga sakitaranna. Kaayaan na teh imah warga di handapeun bukit nu geus mulai tandus, jadi rentan pisan kena ancaman longsor. Tah supaya bisa ngaantisipasina, ti ayeuna mendingan sagala rupa barang berharga teh diwadahan kana tempat nu aman supaya mun terjadi longsor teh bisa diamankeun. Jeung deuih kudu paham kana ciri rek terjadina bencana longsor, mun hujan ge kudu buru-buru siaga bisi terjadi longsor sawaktu-waktu. Yuk mulai terapkeun mitigasi bencana ti ayeuna!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5343", "text": "Sabar mangrupakeun hiji perkara nu dianjurkeun pisan dina ajaran Islam. Umat muslim kedah tiasa sabar tina sagala rupi cocobi, amarah, jeung sagala hal nu mantak ngarugikeun. Contona na wae basa Rasulullah SAW diciduhan unggal poe mun rek ka asjid, anjeunna sabar teu ngabales, malahan mah ngadoakeun kabaikan ka jalma nu nyiduhanna. Tah ieu jadi hiji perhatian nu kuduna jadi patokan urang dina bersikap. Kedah sabar, tong ngalakueun hal nu sarua mubadzir na jeung jalma nu ngadzoliman urang. Sabar ge jadi salah sahiji konci karidhoan Allah SWT. Ganjarannana bakal meunang kahadean di dunia jeung di akherat. Ku kituna, hayu ah urang diajar deui supaya leuwih sabar ngahadapi sagala cobaan kahirupan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7925", "text": "Lamun urang kasasab di gunung urang kedah tenang ulah panik sabab panik mah bakal ngajieun urang teu tiis ceuli herang mata. Lamun urang kasasab, urang kedah cicing heula sabari ningal di sakitar urang aya naon wae anu tiasa dijadikeun bahan kanggo nyalametkeun urang. Lamun urang ningal aya taneman anu tiasa dijadikeun emameun atawa ningal kai anu garing jeung nimu tatangkalan anu tiasa ngaluarkeun cai urang tiasa ngajadikeun eta janten bahan kanggo nyieun seneu jeung cai kanggo nginum. Lamun teu meunang dahareun oge minimal mah urang kedah hemat sesa cai anu urang gaduh lantaran manusa tiasa hirup keneh tilu poe ngan ku nginum hungkul lamun teu aya dahareun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7629", "text": "Ti subuh keneh abdi tos nyiapkeun bekel kanggo dibekel ka tempat damel, ibak, teras dangdan anu rapi lantaran ieu mangrupakeun poe kahiji abdi damel di kanto. Abdi teras manaskeun motor sabari pamit ka mamah jeung bapa. Abdi ngahaja indit ti isuk-isuk pisan lantaran tempat gawe abdi anu lumayan jauh jeung supados teu macet. Sabenerna abdi leuwih nyaman nganggo beus, tapi lantaran abdi teu acan apal kumaha jalan ka kantor, abdi mutuskeun naek motor heula. Di poe kahiji ieu abdi kenalan sareng sadaya pagwe di kantor. Saminggon ieu abdi bakal dilatih heula di sababaraha posisi supados tiasa nentukeun abdi bade gawe di mana. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "824", "text": "Salah sahiji kaleuwihan nu dipiboga Ginting teh nyaeta ku gancangna. Hal ieu pernah kajadian jadi pusat perhatosan pebulutangkis andalan asalna ti China sakaligus juara dunia 2015, nyaeta Chen Long. Chen Long pernah dielehkeun ku Ginting pas kejuaraan Australian Open di babak perempatfinal. Tuluy Ginting oge mibogaan kasabaran, jeung boga teknik anu alus oge mental anu tangguh, urang ngarasa manehna bakal tuluy berkembang. Mun ditinggali mah Ginting teh maenna siga Taufik Hidayat, jadi gaya maenna teh simpel sabenerna mah. Manehna ngontrol permainan net jeung maksa lawanna jang ngangkat bola, tuluy ku Ginting di cemes. Ieu kaleuwihan Ginting nu tangtuna tiap atlet beda-beda cara maenna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5807", "text": " Poe ayeuna babaturan abdi teh bagean tanding futsal di lapangan Bale Santika. Abdi ngahajaa geus niat jang nonton anjeunna. Isuk-isuk pisan abdi geus siap make baju rapi, make sapatu, jeung mawa tas nu eusina cokelat sabab jang apresiasi bisi manehna meunang dina ieu pertandingan. Biasana mah abdi iinditan teh tara di make up, natural polosan we. Ngan ayeuna mah beda, sabab ajangna futsal, pasti loba anu nyuporteran, mantak na kudu heboh. Abdi totalitas make make up medok tuluy mawa pasukan supaya bisa ngabantuan nyuporteran. Jadi, lain wae iinditan teh khusus jeung penampilan, tapi kudu oge diparengan jeung inget kana adab.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4502", "text": "Barbells mangrupikeun alat latihan olahraga anu dianggo pikeun latihan beurat sareng angkat beurat. Barbel panjangna rupa-rupa ti 4 suku (1,2 m) nepi ka leuwih 8 suku (2,4 m), sanajan aya bar atawa rod leuwih panjang batan 2,2 méter (7,2 ft) dina pamakéan kawates ku lifters beurat tur teu umum. Bagian tengah aci variasina diaméterna ti 25 milimeter (0,98 inci) nepi ka 2 inci (51 mm) (conto: Apollon urang Axle), sarta biasana disadiakeun kalawan cross strokes pikeun ngaronjatkeun cekelan. Cakram beurat (piring) diselapkeun ka luar batang pikeun nambahan beban total anu dipikahoyong. Beban ieu diamankeun sareng distabilkeun ku cingcin pikeun nyegah ragrag nalika latihan anu tiasa nyababkeun tatu, atanapi barbell ragrag sareng mumbul kana hawa kusabab beurat anu henteu sami.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2707", "text": "Eleh Arema ka Persebaya, ngaliwatan gul penentu ti Yamamoto dina menit ka-51 nimbulkeun kuciwa para suporter Arema – anu teu narima lantaran ieu kahiji kalina Singo Edan (landian Arema) eleh ngalawan Bajul Ijo (landian Persebaya) di imah. saprak 23 taun. Karusuhan anu dipikawanoh sacara internasional (dumasar kana Wikipedia) minangka Musibah Kanjuruhan 2022, dipicu ku invasi pitch ku dua suporter anu teu sopan anu ngadeukeutan parade pikeun menta hampura ti pejabat sareng pamaén Arema anu kaleungitan. Kacaritakeun yén dua unsur ieu henteu ngalakukeun tindakan anarkis, tapi kagagabahanana jadi \"inspirasi\" pikeun ratusan elemen séjén pikeun ngagabung hiji-hiji. Naon deui, kira-kira tabuh 22.00 WIB, sakumna pamaén Persebaya geus asup ka stadion, nepi ka sabagian suporter ngarasa boga kalenturan pikeun nempatan wewengkon lapang. Ngan éta suporter anu teu sopan sigana hilap yén invasi lapangan ieu ogé bahaya pikeun pajabat sareng pamaén sorangan. Tangtos (sapertos kedahna), aparat kaamanan, ditambahan ku personil Polri sareng TNI, nyobian ngadorong deui fans kusabab alesan kaamanan. Pikeun babandingan saderhana, urang tiasa ningali kumaha ketatna musisi anu kasohor dijaga ku fans na.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2365", "text": "Mitos Sisyphus mangrupikeun salah sahiji mitos anu paling kasohor tina mitologi Yunani kuno. Numutkeun carita, Sisyphus nyaéta saurang lalaki anu dihukum ku dewa pikeun ngalakukeun tugas anu sia-sia salamina. Tugasna nyaéta nyorong batu gede ka luhur pasir, tapi unggal waktos anjeunna ngahontal puncak, batu gede bakal geser deui ka handap sarta anjeunna kudu ngamimitian deui. Mitos Sisyphus sering ditafsirkeun salaku simbol kuciwa sareng putus asa anu teu aya tungtungna. Pagawean anu kedah dilakukeun ku Sisyphus bakal salawasna tetep teu réngsé, janten anjeunna bakal ngarasa kuciwa sareng pundung. Sanajan kitu, aya ogé interpretasi nu nyebutkeun yén mitos ieu sabenerna mere pesen ngeunaan pentingna continuity bisnis, sanajan hasilna teu pasti. Numutkeun interpretasi ieu, Sisyphus katempona salaku simbol jalma anu teu pernah nyerah sarta terus ikhtiar sanajan tantangan maranéhna nyanghareupan sigana sia sia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5098", "text": "Ceuk abdi mah XXI teh mangrupakeun bioskop nu paling familiar dina cepil masyarakat. Padahal aya oge bioskop lain jiga CGV, tapi angger we disebutna teh sok XXI we. Mungkin hal ieu disababkeun XXI bioskop nu paling seueur cabangna di Indonesia, jadi masyarakat daerah ge familiarna teh kana XXI deui XXI deui. Tapi memang ditingali tina segi harga ge sok sakapeung mah relatif leuwih murah tibatan bioskop nu sanes. Ku kituna meureun jadi daya tarik kangge para masyarakat supaya nonton na didieu wae. Salian kitu, XXI mah terseba di wilayah Indonesia, nepi ka mall daerah oge aya. Jadi asa ngafasilitasi warga daerah jang nonton film jiga di kota-kota.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3972", "text": "Jogja kasohor ramah tur murah. Loba panginepan murah sahandapeun 100 rebu rupiah. Calathea Homestay mangrupikeun salah sahijina. Panginepan murah ieu ayana di kota Jogja. Lokasina teu jauh ti Karaton Yogyakarta, Alun-alun Kidul, Taman Sari, Malioboro, sarta ngan 100 méter ti halte beus Trans Jogja. Di jero komplek Pugeran aya 3 pasanggrahan. Dua diantarana nyaéta Calathea Homestay sareng Pondok 71 anu hiji anu gaduh. Jadi lamun mawa mobil, bisa parkir di palataran Pondok 71. Samentara éta, parkir motor bisa dipigawé di Calathea Homestay. Upami anjeun hoyong nyéwa motor ogé tiasa. Hargana dimimitian dina 60 rébu pér poé. Jadi nu butuh penginapan murah jeung alus di yogya bisa di calathea, calathea homestay tos ada di babaraha web booking hotel, jadi bisa booking dimana wae. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4019", "text": "Miracle in cell No. 7 nyaéta pilem drama kulawarga Indonésia 2022 disutradarai ku Hanung Bramantyo anu mangrupa rémake tina pilem Koréa Kidul 2013 anu ngaranna sarua. Pilem anu diproduksi ku Falcon Pictures dina peran utama nyaéta Vino G. Bastian anu maénkeun peran Dodo Rozak sareng Graciella Abigail salaku Kartika. Jeung aya sababaraha palaku salaku palaku pendukung, nyaéta Indro Warkop, Tora Sudiro, Indra Jeggel, Rigen jeung sajabana. Kaajaiban dina sél No. 7 bakal dipintonkeun di bioskop Indonésia dina 8 Séptémber 2022. Miracle in Cell No. 7 ngahontal paningkatan jumlah pemirsa. Kaajaiban dina sél No. 7 ti Falcon Pictures ditayangkeun dina 8 Séptémber 2022. Gambar Falcon diungkabkeun dina ahir Séptémber kamari, Miracle in Cell No. 7 geus junun megatkeun ngaliwatan 5 juta pemirsa.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1903", "text": "Biasana, pikeun meunang gaji anu ageung kedah ngagaduhan pendidikan anu langkung luhur. Tapi, karék jadi réstoran burger, nyaéta In-N-Out, jadi bahan gosip, alesanana, pikeun kalungguhan salaku manajer, éta réstoran méré gajih anu luar biasa nepi ka milyaran rupiah unggal taun. Matak reuwas, batur anu jadi manajer di réstoran éta, teu merlukeun gelar sarjana muda atawa diploma. nu ternyata, pangurus di restoran cepat saji éta ngagajih kira-kira US$ 160 rébu atawa kira-kira Rp 2,2 miliar. Pikeun anu teu boga ijazah SMA (SMA), ogé meunang gajih anu teu saeutik, nyaéta US$ 20 rébu atawa sarua jeung Rp 281 juta per taun. Réstoran anu katelah tempat kerja anu pangsaéna di Amérika Serikat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3074", "text": "Pasti aya dua pilihan: nyieun perbaikan atawa pasrah kana kaayaan. Memang ngokolakeun usaha anu geus karugian merlukeun kaahlian jeung pangalaman ti nu boga usaha. Ieu mangrupikeun faktor anu bakal nangtukeun strategi pikeun kaluar tina krisis. Janten, kumaha upami kaayaan ieu dugi ka bisnis anjeun nalika anjeun henteu siap nyanghareupanana? Saatos nyobian nampung input ti karyawan, anjeun tiasa konsultasi sareng profésional anu memang tiasa dianggo salaku panutan pikeun bisnis anjeun. Penting pikeun anjeun ningali masalah bisnis tina sababaraha sudut pandang. Ieu bisa mantuan Anjeun dina nyieun kaputusan. Konsultasi sareng para ahli tiasa ngabantosan anjeun nampi sudut pandang anyar ngeunaan usaha nu aya ti lembaga negara sapertos nu geus di teliti di Universitas Ikopin.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4607", "text": "Lamun keur usum hujan siga kieu dimana urang nyeusehan sok tara garing, karek eunggeus nyeusehan tuluy di poe langsung breg hujan eat teh musingkeun pisan jeung nyieun kesel capek kudu bolak balik. Pusing baju teu garing garing komo lamun baju anu penting anu kudu di pake saperti saragam sakola atawa baju saragam gawe, eta teh ngajieun mikir pisan lamun teu di seuseuh kotor tapi lamun di seuseh ngke teu garing pan barabe lamun rek di pake, jaba baju teu garing teh sok jadi bau lamun kalilaan. Untung na ayeuna aya mesin cuci, ususm hujan mesin cuci teh kapake pisan kusabab aya pengeringna. Jadi ges parat nyeuseuhan langsung di garingkeun nepi ka garing pisan tuluy bisa ngan tinggal di poe angin anginkeun ge baju geus garing jadi teu bau jeung bisa langsung di pake.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8290", "text": "Seueur jalma bisnis online parantos ngahontal kasuksesan tina usahana. Salah sahijina nyaeta Menhefari. Lalaki anu lahir di Koto Anau – Sumatera Barat 39 taun ka tukang geus boga puluhan toko online anu kasohor. Dimimitian tina trial and error oge intuisi anu kuat pisan yen usaha anu aya hubunganana sareng internet bakal sukses di hareup, Menhefari, anu henteu pernah nyerah, ngamimitian bisnisna online. Anjeunna yakin, bisnis online bakal booming. Lalaki ieu, anu lain ukur pengusaha tapi oge kabeneran melek pisan dina dunya teknologi enformasi. Anjeunna oge diajar otodidak, anjeunna malah diajar ngadamel situs web anu dilakukeun ku nyalira. Tekadna dina waktos eta, anjeunna kedah sukses sareng ngagaduhan kahirupan anu layak pikeun dirina, kulawarga sareng batur.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6630", "text": "Saha anu teu apal Mie Gacoan anu viral lantaran murah sareng seeur pilihan menu jeung bisa dipilih level ladana. Seeur jalmi anu nagelaan datang ka Mie Gacoan teu paduli sakumaha pinuhna nu penting tiasa nyobian emih anu dipasihan pangsit hayam ieu. Mie gacoan ieu salain mirah oge seeur pilihan menuna, aya minuman seger, aya oge dimsum anu hargana te aya nu langkung ti tilu puluh rebu, matak cocok pisan kanggo kalangan menengah ka handap jeung cocok oge kanggo kempel sareng kulawargi. Aya cara supoados urang tiasa nyobian Mie gacoan tapi te kedah ngantri atau ngatosan lami. Urang bisa mesen Mie Gacoan ti aplikasi sapertos gofood atawa shopeefood, biasana hargana leuwih mirah upami urang mesen seeur. Urang oge tinggal calik ngantosan di bumi jeung teu kedah sieun te meunang tempat diuk atawa beakeun dahareun na lantaran di aplikasi tos disadiaan informasi dahareun anu masih aya jeung anu tos seepna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5906", "text": "Zaman ayeuna mah tos seueur kandaraan nu sumber daya na tina listrik, salah sahijina nyaeta mobil listrik. Mobil listrik teh mangrupakeun alternatif dina berkendara. Mun mobil biasa mah ngagunakeun bahan bakar fosil, mun mobil listrik mah ngagunakeun daya listrik nu disimpen dina bentuk batre. Sacara body jeung tampilan luar mah mobil listrik jeung mobil biasa teh euweuh bedana, kabilang mirip keneh. Mun tina segi harga, mobil listrik gaduh harga nu leuwih mahal ti mobil biasa, tapitina segi bahan bakar mah leuwih awet jeung hemat. Mobil listrik di Indonesia kabilang masih jarang sabab minimna pengetahuan masyarakat kana hal ieu. Biasana mobil listrik teh digunakeun ku masyarakat golongan menengah ka luhur.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5018", "text": "Batu Kuda jadi salah sahiji tempat wisata alam nu dipikaresep ku budak ngora. Lokasina di Cileunyi, Bandung Timur tepatna di kaki gunung Manglayang. Akses ti jalan raya na lumayan jauh, kira-kira dua puluh menitan mun make motor. Karcis asupna kur lima belas rebu jeung parkir motor. Pamandangan na endah pisan, kebon pinus jarangkung nu na taneuhna rapi harejo ku jukut. Didieu oge aya darmaga paranti popotoan anu nyanghareupan pamandangan Bandung Timur. Pokok na mah didieu tempat na alus pisan jang popotoan atawa jang niis. Unggal weekend pasti we pinuh kunu camping, mun poe biasa mah sok pinuh na kunu niis hungkul.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6658", "text": "Hiji minuman anu kedah aya kanggo buka puasa pas Bulan Romadon nyaeta kolek cau. Ngadamel kolek cau gampang gampang hese, sabab aya sababaraha lengkah ngadamel na. Lantaran ku sering na aya di menu buka puasa, kolek cau biasana sok dikaitkeun jeung Romadon, urang biasana tara ngadamel kolek cau lamun teu acan romadon. Biasana di pasar oge seeur nu icalan cau jeung kolang-kaling pas Bulan Romadon lantaran tos janten menu wajib buka puasa. Kolek cau biasana dicampur hui jeung kolang-kaling, tapi abdi mah resepna kolang-kaling jeung cau na hungkul. Aya sababaraha cau nu tiasa dijadikeun kolek nyaeta cau tanduk, cau raja, cau kepok, jeung cau nangka.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7185", "text": "Tari Piring nyaeta tarian tradisional anu asalna ti Minangkabau, sacara tradisional taisa disebutkeun yen tari piring asalna ti Solok, Sumatera Barat. Tari ieu mintonkeun aksi atraksi tari ngagunakeun piring. Penari bakal ngayunkeun piring dina palemna disingkronkeun sareng musik iringan sareng ngalih gancang sareng teratur tanpa ngalepaskeun atanapi ngantepkeun piring ragrag. Gerakan tari piring dicokot tina gerakan silat Minangkabau atawa biasa disebut silek. Tari piring dipopulerkeun ku Huriah Adam. Dina jaman kiwari, tari piring biasana dijadikeun ucapan pikeun ngabageakeun tamu anu dipihormat atawa biasa oge dipake pikeun bubuka upacara adat. Tari piring geus junun ngaraih rekor dunya, maranehanana nari tari piring kalayan leuwih ti 2.000 penari. Sarerea jeung sagala rupa profesi milu dina ngaraih rekor dunya ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6719", "text": "Lamun ulin ka Bandung seeur turis anu datang ka Kawah Putih. Obyek wisata ieu tempatna aya di Ciwidey. Kawah putih mangrupakeun Danau anu kabentuk tilas Gunung Patuha anu tos ngabeledug. Warna cai di kawah putih bisa robah-robah. Upami bade ulin ka Kawah Putih ti Bandung urang tiasa ngangge tol Soroja. Upami bade ka kawasan situ, urang teu tiasa ngangge mobil pribadi, tapi ngke disadiakeun mobil khusus anu namina ontang anting. Pangaos tiket asup ka Kawah Putih minimal na pisan lima puluh genep rebu anu tos kaasup tiket asup jeung ongkos ontang anting bulak-balik. Urang teu kening ngojay di kawasan situ sabab bisa cilaka. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4736", "text": "Dina jaman digital anu rame social media ayeuna leuwih ngamungkin keun urang bisa boga panghasilan meski nga ti mah. Asal urang boga hape jeung internet sarta boga akun sosial media urang jeung bisa jualan online ti imah. Loba contoh ibu ibu anu cicing di imah bari ngasuh budak ayeuna bisa sukses jadi pangusaha. Ayeuna loba wadah wadah paranti urang jualan di internet aya toko toko digital siga shopee, tokopedia, bukalapak, lazada jeung nu sejena urang bsa muali jualan didinya anu bekel mimitna tina foto urang bisa dagang didinya, dagangan na oge bisa rupa rupa bisa barang barang fisik anu bisa di pake nepi ka dahareun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2259", "text": "Nabi Musa dianggap ku umat Islam salaku guru jeung prakték agama ti miheulaan na confirms kitab suci jeung nabi saméméh anjeunna. Al Qur'an nyatakeun yén Musa diutus ku Allah (hiji Gusti) ka Firaun Mesir sareng Israil pikeun pituduh sareng peringatan. Dina waktos éta kaayaan éstu gening sareng diperes ku Nabi Musa sareng umatna. Tapi kalayan sagala kakuatan iman, Nabi Musa nyoba nenangkeun pengikutna. Saparantos kitu turunna wahyu Alloh SWT ka Musa. Tina lalampahan jajalanan Nabi Musa, ahirna katembong yen Allah SWT henteu resep kana kalakuan anu sambarangan atawa anu nyiksa jalma sejen. Éta sabab salah sahiji paréntah Allah ka Musa nyaéta ngalawan Raja anu maréntah dina waktos éta, Firaun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3945", "text": "Minggu kamari urang jeung babaturan ulin ka tempat wisata leuwi balong endah di bogor. Tempat ieu teh tersembunyi jadi teu loba batur nu apal, tapi kacida endah na. Urang ge meunang info nieu kusaba babaturan aya nu ulin kadinya terus maneh na nyarita, jadi urang kabita terus hayang ulin kadinya oge. Mimiti urang mangkat ka bogor heula urang mangkat beurang mimiti naek bes heula ka bekasi tuluy naek kareta ti stasiun bekasi nu arah ka stasiun bogor. Perjalanan na nu jauh jadi sore ka peuting urang karek nepi di bogor, di bogor uang ngedong di imah babaturan samemh isuk na urang mangkat ka leuwi balong endah. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3065", "text": "Ieu murni tina pangalaman dagang kuring sorangan ti 2014 dugi ka ayeuna. Tahan jeung reureuh alam Hedon, sabab loba jalma anu kakarék ngamimitian usaha ngarasa yen aya loba duit dina laci luhur / kantong kasir, naon eta disebut. Inget yen duit jualan dina hiji poe lain murni panghasilan bersih urang, sabab duit teu acan dipotong tina hutang, gaji pagawe, belanja modal jeung saterusna. Saatos nutup penjualan dina hiji dinten, (biasana kuring nutup jam 23.00; sabab kuring anu ngajual bakso) ngitung sadaya pendapat dina laci pikeun detil. conto: tah nu katingali panghasilan net mah Rp. 1.377.000 geus dikurangan ku expenses darurat 153.000 ti 10% panghasilan. Tah, ari Rp 1.377.000 teh mana? jadi kuring nyimpen Rp 1.377.000 dina rekening bank misah pikeun cadangan modal bisi harga naek iraha wae.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1614", "text": "Lamun urang hayang sukses melak tangkal, urang ulah ngabiasakeun melak tapi teu ninggali musimna. Tangkal atawa tutuwuhan siga cabe misalna, buahna babari pisan kaserang patek pas di musim hujan, sedengkeun daunna teh babari keriting jeung kaserang bulai di puncak musim halodo. Jadi urang kudu apal musim naon nu cocok jang melak, jeung melak tutuwuhan naon nu cocok di musimna. Lantaran teu kabeh tutuwuhan atawa tangkal teh cocok di sadaya musim, eta oge aya sababaraha hiji tutuwuhan nu cocok di sadaya musim, tapi teu kabeh tutuwuhan. Jadi mun hayang sukses melakna, urang kudu nyaho musim-musimna. Ayeuna mah geus gancang meunangkeun informasi teh, urang bisa ninggali tina internet musim-musim naon nu cocok jang melak tangkal eta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1143", "text": "Ngarasa boga bakat jualan teh ti keur leutik keneh, sabab ti leuleutik urang geus neangan peluang. Contona wae pas keur urang SD kelas hiji, urang umur sakitu geus wirausaha. Wirausahana nyaeta buku gambar, sabab umur sakitu resep ngagambar urang mikirna pasti loba nu meuli. Tuluy ngokolakeun dulur urang nu jago ngagambar kartun, akhirna mah geus aya kasapukan yen hasil ti jualan gambar teh dibagi dua. Tapi pedah masih leutik keneh meureunan, duit tina wirausaha teh beak teu puguh dibeulikeun kana permainan. Maklum keur leutik teu kaop boga duit hayang geura-geura dijajankeun. Urang wirausaha jualan buku gambar ieu nepikeun ka tamat kelas hiji menuju kelas dua. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7166", "text": "Di Indonesia aya endog anu tadina teu aya rasana tiasa dijadikeun aya rasa asin, nyaeta endog asin. Endog anu asalna ti Brebes, Jawa Tengah ieu dijieun tina endog itik anu kekeup dina ledok anu tos dipasihan uyah, matak rasana bisa asin kepika jero. Dahareun anu tos dinobatkeun janten warisan budaya ieu asalna mah ti tradisi warga katurunan Tionghoa anu resep ngawetkeun dahareun, kaasup endog. Endog asin benten pisan jeung endog biasa upami tos dikulub, endog asin biasana teu pati amis bauna. Tapi lamun urang teu pati resep kana endog asin anu asin teuing, urang tiasa milih endog asin anu rasa asinna sakedik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7147", "text": "Indonesia gaduh loba pisan folklor atawa carita rahayat, dimana ampir unggal wewengkon di Indonesia boga carita sorangan. Sapertos Malin Kundang ti Sumbar, Roro Jonggrang ti Jawa Tengah jeung Yogyakarta, Timun Mas ti Jawa Tengah, Situ Bagendit ti Jawa Barat, jeung nu sanesna. Salah sahiji folklor anu kasohor di Indonesia nyaeta Keong Mas. Carita rahayat Keong Mas ieu asalna ti Jawa Timur anu nyaritakeun dua sadulur anu beda nasib. Beda nasib ngajadikeun salah sahijina sirik tuluy boga hate rek ngarugikeun dulurna sorangan. Carita rahayat ngandung seeur pisan nilai moral anu tiasa dijadikeun pelajaran. Macakeun dongeng kanggo barudak oge sae kanggo kreatipitas budak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8062", "text": "Piala dunya taun 2022 teh, piala dunya nu paling rame. Aya hiji negara nu teu disangka-sangka tiasa lolos nika keun ka semi final. Negara eta nyaeta Maroko. Di fase grup, Maroko jadi juara grup disusul ku Kroasia diurutan kadua. Di fase knock out negara ti benua Afrika ieu langsung ngalawan salah sahiji negara kiat tur diunggulkeun nyaeta Portugal. Nanging Portugal kudu kaeliminasi kusabab eleh ti 1-0 ti Maroko. Maroko lanjut asup ka semi final. Di semi final negara ieu ngalawan deui negara nu diunggul-unggulkeun nyaeta Prancis, ngan hanjakal Maroko kudu eleh ku Mbappe tur baladna. Di ahir, Maroko ngadiukan posisi ka opat saatos dielehkeun ku runner up grupna nyaeta Kroasia. Nanging ieu pencapaian tetep janten prestasi keur ieu negara kusabab pertama kalina asup ka semi final. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5415", "text": "Ai nuju siap-siap dangdos sabab bade ningali upacara nadran di pantai eretan. Upacarana biasa dimulai jam ujuh isuk. Pas Ai kaditu, enya weh tos seueur pisan warga nu hadir nonton ieu acara. Ai cicing di tempat sisi pantai supaya bisa ningali rangkaian upacarana. Nadran teh mangrupa rasa syukur ka kasil laut. Biasana nadran dimimtian ku persembahan sasajen hulu munding ka tengah laut. Tuluy dialeutkeun ku kapal-kapal masing rame. Ai ningalina kur dugi ka lohor, teu dugi ka beres. Ngan Ai ningali pas pemanjatan doa jeung pemberian sasajen jeung karuhun. Beres ningali nadran teh Ai tuluy meser makan heula sisi pantai sabab lapar tadi acan sempet sarapan di imah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "181", "text": "Lamun film, urang resepna genre aksi, anime, atawa nu boga kakuatan supernatural. Nu paling urang teu resep nyaeta genre horor. Tapi hiji waktu, urang diajak ku babaturan ngaranna Raihani, manehna resep pisan genre horor. Urang diajak nonton Pengabdi Setan 2 di Trans Studio Mall. Harita nontonna jam nu paling akhir, sakitar jam 9 nan beres jam 11 peuting. Urang datangna rada telat, lantaran panggih heula jeung babaturan nu lain. Tapi untungna teh film can di mimitian. Ti mimiti diuk nepi film beres urang teu eureun-eureun nyekelan benget ku leungeun sabab sieun jeung babari reuwas. Kadang urang sok era lantaran sok ngajorowok tiheula saking reuwasna sedengkeun batur mah biasa wae. Balik ti bioskop kainget terus eta jurig nu aya di filmna, nepi hese sare.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3940", "text": "Wisata Gunung Galunggung perenahna di Désa Linggajati Kabupatén Tasikmalaya Propinsi Jawa Barat. Wisata ieu ngagaduhan Wisata Alam Gunung Galunggung kalayan jangkungna kira-kira 2.167 méter di luhur permukaan laut. Nepi ka ayeuna ieu gunungapi masih aktif, anu samemehna bitu dina taun 1982. Tapi masih keneh loba masarakat anu panasaran kana kaéndahan jeung kaunikan Gunung Galunggung, hususna kawah anu miboga situ héjo anu éndah. Jarak Gunung Galunggung Ti Puseur Kota Tasikmalaya, Ngan 17 Kilométer (Sumber: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat). Dina loba obyek wisata nu didatangan ku wisatawan lokal, nu kawentar nyaeta kawah Gunung Galunggung. Pikeun nepi ka kawah nu aya di puncak gunung ieu, urang teu kudu repot naek sabab tétéla urang bisa nanjak ngagunakeun 620 undak konéng nepi ka ahirna bisa nepi ka puncak.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4763", "text": "Geus aya loba pisan kamudahan jaan ayeuna lamun erek mulai bisnis jualan online, nepi ka lamun misalna urang teu boga modal oge urang bisa ngamulai make cara ngajualan heula barang dagangeun anu batur anu biasa na di sebut affiliate, loba aplikasi aplikasi anu mere piliheun ieu keur urang saperti lamun toko online aya tokopedia affiliate jeung shopee affiliate jeung anu ayeuna anu keur rame nya eta aya tiktok affiliate. Sistem affiliae nyaeta sistem urang dagang tapi ngadagangkeun anu batur tuluy lamun aya anu meli urang meunangkeun komisi na sistem anu bias geus aja ti jaman baheula,ngan ayeuna leuwih babari ku ayana internet jadi urang ngajualan tina internet. Cara ngajual na mangrupa urang ngajieun konten biasana jeung live ngajualna. Ku matak loba cara bisnis jualeun online kawas kieu loba jelema atawa rumaja anu leuwih tertarik lamun ngajieun usaha jualan online tibatan di gawe biasa.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3051", "text": "Gawe sareng nongkrong di kantor ngabutuhkeun anjeun pikeun ngalaksanakeun sacara profésional. Beda dina aturan gawé moal jadi masalah pikeun professional tempo yén maranéhna bisa gancang adaptasi jeung sagala rupa kaayaan pausahaan. Samentara éta, pagawé anu teu bisa kalakuanana profésional kudu siap ditinggalkeun kaluar. 1. Pakéan rapih.Seuseueurna perusahaan meryogikeun karyawanna pikeun pakéan kalayan sababaraha sasadiaan anu sayogi. Ieu sanés kusabab perusahaan nyobian ngadorong anjeun ngagem seragam, tapi kusabab manajemén nyobian ngawangun kapribadian anjeun. Salian ti éta, cara pakéan ogé ngagambarkeun sikep gawé anjeun. Jadi pastikeun anjeun pakéan rapih tur impressively.\n2. Nyarita ka titik\nDina kahirupan profésional, jalma anu henteu sering nyarios, tapi anu nepikeun hal-hal sacara efektif sareng jelas langkung dihargai tibatan karyawan sanés anu seueur nyarios. Komunikasi anu jelas sareng efektif penting pisan sareng ngajantenkeun anjeun langkung profésional tibatan anu sanés.\n3. Ngabentuk wewengkon gawé sorangan\nAnjeun kedah tiasa misahkeun kahirupan pribadi sareng profésional anjeun. Henteu aya anu ngalarang anjeun damel babaturan di tempat damel. Tapi penting pikeun anjeun sadar yén anjeunna mangrupikeun batur sapagawean anu janten réréncangan. Tetep hirup gawé salaku profésional sabisa. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7013", "text": "Sholat mangrupikeun salah sahiji tina rukun Islam anu lima, anu mangrupikeun salah sahiji jalan pikeun ibadah ka Allah sareng ngadamel komunikasi sareng Anjeunna. Sholat nyaeta ritual anu dilakukeun sabari nangtung, diuk, ngagoler, atawa tatih jeung leumpang, gumantung kana kondisi urang. Sholat dimimitian ku takbir jeung diakhiran ku salam. Ritual solat diantarana maca sababaraha doa anu sasuai jeung ajaran agama, kayaning ngucapkeun bismillah, maca surah Al Qur'an, jeung salam. Dina solat oge diperlukeun gerakan husus, kayaning ruku, sujud, jeung diuk antara takbir jeung tasyahhud. Sholat bisa dilaksanakeun sorangan atawa babarengan jeung jalma sejen di masjid (tempat ibadah). Sholat mangrupikeun salah sahiji cara pikeun ngawangun hubungan sareng Allah sareng ngadeukeutkeun ka Anjeunna. Sholat aoge mangrupikeun salah sahiji cara pikeun ngajauhkeun urang ti kalakuan keji sareng mungkar.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "821", "text": "Eko Yuli Irawan nyaeta atlit angkat beusi Indonesia nu meunangkeun medali emas pas keur SEA Games 2021 di Vietnam. Kagiatan Eko Yuli Irawan di dunia angkat beusi dimimitian pas keur manehna umur rumaja, pas eta manehna ninggali barudak leutik latihan angkat beusi di Sasana Yon Haryono, tuluy pas keur eta manehna miluan latihan bareng jeung nu sejenna. Eko mimitian ngarintis prestasina pas tampil salaku lifter paling alus di kejuaraan dunia yunior pas taun 2007. Di mana pas keur eta teh Eko meunangkeun medali emas. Eko mangrupakeun atlit nu asalna ti kulawarga nu kurang mampu. Bapakna tukang beca, sedengkeun indungna gawe ku cara jualan sayur. Tapi sanajan kitu Eko masih sumanget jang ngaraih prestasi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7199", "text": "Sakumaha anu didugikeun ku tokoh masarakat di Hawu Mehara anu nyebutkeun yen tokoh adat Jingitiu boga peran penting dina ngaronjatkeun partisipasi pulitik masarakat. Maranehna malah mantuan masihan sosialisasi ka masarakat sangkan teu milih golput, sabab numutkeun maranehna golput teh sarua jeung teu ngahargaan nagara. Ilubiung dina Pilkada nembongkeun partisipasi pamilih anu tanggung jawab jeung milu Pilkada mangrupa wujud rasa nasionalisme urang ka Nagara Kesatuan Republik Indonesia. Pamimpin adat Jingitiu oge nyarios yen aranjeunna biasa ngumpul sareng nyarios nganggo basa daerah nalika ngabahas politik. Maranehna oge diuk bari nyaritakeun kaayaan samemeh pamilihan umum jeung ngabahas ngeunaan kumaha carana milih paningpin anu tiasa ngamajukeun daerah maranehanana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "179", "text": "Maca buku mangrupakeun salah sahiji kagiatan nu alus jang nambah elmu, ngamangpaatkeun waktu luang sabari neangan informasi anyar nu aya guna na jang kahirupan. Kagiatan maca buku boga loba mangpaat kanggo kasehatan jeung perkembangan otak. Kabiasaan maca buku bisa ngabantu ningkatkeun daya inget. Rutin maca buku oge bisa ngalatih kamampuh jang museurkeun konsentrasi kana hiji hal. Maca buku bisa ningkatkeun kamampuh dina hal ngobrol, sabab bakal boga topik anu rame jang dibahas, nepika rupa-rupa pilihan kosa kata nu nyieun lawan ngobrol jadi ngarasa nyaman. Hal nu penting oge, maca buku bisa jadi terapi, kabiasaan maca buku jadi salah sahiji cara nu dianjurkeun ku dokter jang pasien Alzheimer.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "524", "text": "Lagu daerah kurang diminati ku kaum ngora, padahal lagu daerah teh mangrupakeun lagu identitas hiji daerah. Tapi ayeuna loba pisan budak ngora nu teu apal kana lagu daerahna sorangan. Malah leuwih loba budak ngora teu bisa ngahaleuangkeun lagu daerahna sorangan. Padahal lagu daerah kudu tuluy ku urang wanohkeun ka generasi-generasi kahareupna. Nu jadi penyebabna nyaeta bisa tina teknologi, ku majuna teknologi urang bakal leuwih babari jang ngakses naon wae. Ku ngagunakeun smartphone urang bisa ngakses lagu-lagu nu keur hits ti luar negeri. Ieu bakal gancang kapangaruhan sabab nganggapna naon wae nu asalna ti luar negeri eta leuwih alus. Bisa oge sabab genre tren musikna nu sok rubah, masalahna teh mun musik daerah teu pernah robah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "523", "text": "Lagu daerah mangrupakeun musik atawa lagu nu jadi ciri ti hiji daerah. Umumna lagu daerah ieu dijieun dumasar kana kajadian atawa kondisi lingkungan ti daerah eta. Contona kaendahan alam, faktor sejarah, nepikeun ka kabiasaan nu mindeng dilakukeun ku masarakat di daerah eta. Lagu daerah mindengna nyokot tema jang mere pesan sederhana ngeunaan kahirupan sapopoe masarakat daerah eta. Alesanna teh ngameh masarakat bisa babari ngarti jeung narima lagu daerah eta, jadina bisa ditampilkeun atawa dipintonkeun dina rupa-rupa kagiata masarakat. Salian ti eta, ampir kabeh lagu daerah oge aya lirik nu ngagunakeun bahasa daerah eta. Alat musikna oge biasana ngagunakeun alat musik tradisional khas nu aya di daerah eta, siga alat musik anu ditiup, digesek, nepikeun ka alat musik anu dipetik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8050", "text": "Jalma resep ngalakukeun olahraga ngagunakeun barbell sabab alat ieu pohara efektif dina ngawangun jeung nguatkeun otot awak. Ku ngangkat jeung nurunkeun beurat dina batang logam, awak bakal ngalaman stress sarta memicu otot tumuwuh sarta ngamekarkeun. Barbell oge ngamungkinkeun hiji jalma pikeun ngalakukeun rupa-rupa latihan anu ngalibetkeun loba otot awak dina waktos anu sareng, kayaning squats, bench press jeung deadlifts. Latihan kalawan barbelle oge bisa disaluyukeun jeung tingkat beda tina kasusah, ngarah bisa jadi tantangan nu cocog kamampuan individu. Salaku tambahan, latihan sareng barbell oge tiasa ngabantosan ningkatkeun kasehatan jantung sareng sirkulasi getih, oge ngabantosan leungitna beurat sareng ningkatkeun kabugaran umum.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5724", "text": "Jogging mangrupakeun salah sahiji olahraga ringan nu alus jang kasehatan. Jogging teh bisa dilakukeun ku saha wae dina sagala rentang usia. Jogging teh cocok pisan jadi olahraga jang pemula sabab dilakukeunna nyantai jeung make gerakan nu simpel. Tah, abdi unggal poe pasti jogging isuk-isuk dilapangan maen bola, tuluy sorena mah sakapeung. Pokokna jogging teh jadi salah sahiji rutinitas wajib abdi dina ngajalankeun kahirupan sapopoe. Mun beres jogging teh awak sok asa hampang jadi ngeunaheun jang memulai aktivitasna. Mun nu karek mulai olahraga ge pasti dianjurkeunna jogging, sabab teu merlukeun alat. Mun teu jogging sadinten teh asa teu geunaheun dina aktivitas teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1566", "text": "Mun peuting urang kudu geus meunangkeun tempat berlindung jeung cai, lantaran pas peuting kondisi udara bakal tiris pisan pas keur di gunung. Kondisi tiris bisa micu gejala hipotermia. Lamun urang nepikeun ka gering nepikeun ka berhalusinasi urang bisa cilaka. Lantaran halusinasi bisa nyieun urang beuki nyasar, kasieunan, stres nepikeun ka bisa wae labuh ka jurang. Sababaraha pendaki anu nyasar bahkan ngadenge sora-sora aneh pas keur halusinasi. Siga ninggali jurig nepikeun ka ngadenge ngaranna disebut di tengah-tengah gunung. Jang nyanghareupan hal eta urang kudu nyieun perapian jang tempat urang siduru, ngarah awak urang kajaga suhuna, awak bakal leuwih haneut jeung urang bakal tenang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8274", "text": "Janten pagawe kantoran teh geunah pisan. Pagawe kantor umumna bakal meunang fasilitas gawe anu nyukupan, sanajan oge gumantung kana jenis jeung kamampuhan pausahaan. Fasilitas anu disayogikeun biasana pikeun ngadukung kaayaan damel anu nyaman sareng sepi supados masihan hasil anu optimal. Kantetan salaku pagawe kantor kana kawijakan anu dilaksanakeun ku perusahaan pasti bakal ngajantenkeun anjeun langkung disiplin dina padamelan. Gawe di perusahaan pasti bakal masihan anjeun kasempetan pikeun ngasah kaahlian profésional sareng nampi pangaweruh. Utamana upami janten bagian tina proyék tim bakal ningkatkeun kreativitas sareng kaahlian kolaborasi. Karya kantor oge ngamungkinkeun anjeun pikeun diajar ningkatkeun kaahlian komunikasi sareng kabiasaan anjeun di payuneun jalma sanes.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1621", "text": "Masarakat desa mibogaan mata pencaharian di bidang agraris, boh eta tatanen, perkebunan, perikanan jeung peternakan. Umumna unggal anggota ngan saukur bisa ngalaksanakeun salah sahiji bidang kahirupanna hungkul. Misalna siga patani, yen dina ngajalankeun tatanen teh mangrupakeun hiji-hijina pagawean nu kudu ditekunan ku cara anu bener. Lamun bidang tatanen eta kagiatanna kosong, biasana bakal nungguan deui nepikeun ka aya kagiatan deui di bidang tatanen. Salian eta dina ngolah tatanen oge masarakat desa cenderung tetep atawa euweuh kamajuan. Hal ieu lantaran pangaweruh jeung kaparigelan para patani nu masih kurang ngadukung. Ku sabab kitu masarakat desa mindeng disebut masarakat nu statis jeung monoton.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5885", "text": "Murid SMK di Subang teh berhasil nyiptakeun salah sahiji robot mesin anu fungsina jang dina ngarakit kandaraan. Tah proyek ieu teh dibimbing langsung ku guru mata pelajaran nana supaya bisa ngembangkeun skill murid-murid bimbingan nana. Proyek ieu teh sempet kahambat pelaksanaan nana sabab katerbatasan dina alat jeung bahan baku. Terus diakalan we make bahan baku anu geus kapake jeung neneangan di sakitaran. Proyek ieu teh berhasil dirakit sakira salila tilu taun nepi ka rampungna. Malahan mah proyek ieu teh berhasil sabab dibimbing oge ku pihak rekanan anu ngasupport kana ieu proyek. Hal ieu teh jadi salah sahiji prestasi anu bisa dibanggakeun pisan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4231", "text": "Bika ambon nyaéta jajanan has ti Medan,anu biasa di jadikeun oleh oleh keur jelema nu di luar medan. Bika Ambon Dijamel tina bahan-bahan saperti tipung tapioka, endog, gula, jeung santan. Bika ambon di jieuna lila matakna cukup tahan babaraha poe, Bika ambon di asakan salila 12 jam. biasana tahan pangalusna salila opat poé, sabab sanggeus éta jajan mimiti teuas. Kue baseuh ieu biasana aya jaring di jerona. Baheula bika ambon teu ngabogaan loba rasa ngan aya rasa originalna hungkul, ayeuna keur narik minat nu meuli bika ambon di jieun di rupa rupa rasa jadi loba piliheun. saperti ayeuna aya ogé Bika Ambon anu dijual dina rupa-rupa rasa saperti pandan, coklat, kéju, jeung sajabana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "560", "text": "Angklung mangrupakeun salah sahiji alat musik tradisional anu asalna ti Jawa Barat nu geus mimiti dipikawanoh ku masarakat dunya. Angklun gieu baheulana digunakeun jang upacara anu hubunganna jeung pare. Jadi angklung teh lain kasenian murni, tapi kasenian nu fungsina dina kagiatan kapercayaan. Angklung geus aya ti zaman Hindu jeung bisa digunakeun jang upacara ritual kaagamaan, siga gaganti bel ku pendeta Hindu. Tuluy pas zaman Karajaan Pajajaran, angklung oge pernah dijadikeun jang alat musik korp tentara karajaan pas jadi Perang Bubat. Alat musik ieu disadakeun ku tentara kerajaan jang ngaronjatkeun sumanget juang jeung tempur. Ayeuna angklung teh geus bisa disaluyukeun jeung umur si pemain.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6715", "text": "Aya seeur tempat wisata alam anu aman kanggo murangkalih, salah sahijina nyaeta Taman Hutan Raya Juanda anu aya di Dago. Tempat anu biasa disebut Tahura ieu buka ti jam dalapan enjing nepikeun jam genep sonten. Lamun tos asup ka Tahura urang tiasa mapah ka lebet, aya sababaraha tempat anu tiasa dipapay, nyaeta Goa Balanda, upami kadieu tong hilap mawa senter lantaran poek pisan di lebet guha, teu aya lampu. Caket ti Goa Balanda, aya Goa jepang. Urang oge tiasa mapah deui ka kandang rusa ngaliwatan sasak gantung anu biasa dipake popotoan. Pangaos tiket asup ka Tahura nyaeta ngan dua belas rebu rupiah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5407", "text": "Pura nyaeta bangunan tempat ibadah umat Hindu. Di Indonesia, pura bisa dipanggihan di pulau Bali sabab mayoritas umat Hindu aya didinya. Bangunan pura biasana aya di ketinggian jeung tempat nu terbuka. Pura dibangun bersusun kaluhur, jeung biasana samemeh asup pura aya gapura nu jadi tanda gerbang asup. Salan eta, oge aya sababaraha gapura nu jadi pananda ti zona pura nu aya di bangunan eta. Biasana hiji bangunan pura terdiri ti sababaraha zona ibadah atawa zona pamujaan nu disasuaikeun jeung katentuan ajaran agamana. Pura dikelompokkeun jadi tilu nyaeta sad kahyangan, dang kahyangan, jeung pura kawitan. Tilu eta didasarkeun tina peruntukan ibadahna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2833", "text": "Kumaha aplikasi téknologi nuklir di Indonésia?\r\nDi Indonésia, aya seueur hal anu anjeun henteu terang. Nuklir bisa ngagunakeun isotop jeung téhnologi radiasi pikeun ménta siki sorgum unggul. Henteu ngan éta alus pikeun kadaharan pokok salaku gaganti béas sarta salaku pakan ternak, sorgum ogé bisa dipaké salaku bioetanol. Samangka tanpa siki ogé dihasilkeun tina téknologi nuklir. Radiasi anu dipancarkeun tiasa nyababkeun indungna gagal misah nalika meiosis sél. Sangkan anak anu dihasilkeun bisa boga susunan kromosom anu béda jeung steril (teu boga siki). Tutuwuhan bako ngagunakeun radiasi nuklir pikeun ngahasilkeun leuwih nikotin. Radiasi nuklir bisa ngarobah jumlah susunan kromosom dina bako. Bako jeung opat sét kromosom ngahasilkeun leuwih nikotin ti maranéhanana dua sét kromosom.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6694", "text": "Cau, hiji buah anu tiasa diolah janten rupi-rupi kadaharan anu dipikaresep. Tiasa dijadikeun kiripik, kolek, digoreng make tarigu janten pisang goreng, atawa diseupan. Aya oge nu diolah janten camilan unik sapertos piscok, pisang lumer, jeung naget cau. Teu ngan saukur buahna hungkul nu tiasa diolah, hampir kabeh bagian ti tangkal cau tiasa diolah pikeun dahareun. Padahal hiji tangkal cau ngan buahan sakali, tapi seur pisan mangpaat ti tangkal cau anu tiasa dirasakeun ku arurang. Untungna, cau tiasa tumbuh di mana wae, janten urang masih keneh tiasa melak cau di taneuh anu teu subur. Cau leuwih cocok disebut tutumbuhan ti pada tangkal lantaran tangkal mah aya kai na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3968", "text": "Calathea Homestay merenahna salah sahiji hotel penginapan anu aya di yogyakarta. Jarak calathea homestay teu pati jauh ti jalan raya atawa jalan gede deket ka tempat wisata jadi memudahkan para tamu atawa wisatawan nu datang ke yogyakarta keur berlibur, aksés ka jalan atawa angkutan umum jadi wisatawan atawa tamu bisa gampang pindah pindah ka tempat wisata sejena eu kudu riweh mawa kendaraan pribadi sabab akses ti Calathea Homestay cukup gampang, deukeut kamana- mana nu deukeut ka Trans Jogja eureun. 1 menit dari Halte MT Haryono 12 menit dari Stasiun Tugu Yogyakarta, 12 menit dari Stasiun Lempuyangan,60 menit dari Yogyakarta International Airport. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "422", "text": "Nabi Yusuf digambarkeun Nabi nu panggantengna. Ceuk ulama, Nabi Yusuf sacara khusus mibogaan satengah kagantengan kabeh jelema. Samentara satengah kagantengan sesana, dibagi ka kabeh jelema sejenna. Kagantenganna oge disebut nu ngabalukarkeun anjeunna di penjara ku pamarentah Mesir. Kubakat gantengna, jelema moal bisa ngabedakeun Nabi Yusuf jeung malaikat. Dina carita hirupna, anjeunna pernah digoda ku Zulaikha, istri dununganna. Zulaikha teu tahan ku kagantengan Nabi Yusuf nu euweuh duana. Komo deui dina hiji carita nu pernah didangukeun lamun loba awewe nu ninggalina nepikeun ka teu karasa geus motong-motong leungeunna sorangan. Allah SWT nurunkeun kagantengan ka hambana jadi tilu bagian. 50 persen kagantenganna diberekeun ka Nabi Muhammad, 25 persenna diberekeun ka Nabi Yusuf, jeung 25 persenna deui dibagikeun ka umat jelema nepikeun ka kiamat engkena.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8076", "text": "Tragedi Kanjuruhan teh kudu janten tugas urang sarerea. Ulah patunjuk-tunjuk saha nu salah urang sarerea kudu bertanggungjawab ngabereskeun ieu persoalan tur ningkatkeun atanapi ngembangkeun kualitas sepak bola di Indonesia. Seueur nu nyalahkeun PSSI kusabab teu tiasa ngajalankeun regulasi nu tos diatur ku FIFA. Regulasi nu dimaksad didieu nyaeta perkawis penggunaan gas air mata dijero stadion nu dianggo pihak kaamanan dina perkawis ieu nyaeta kepolisian. Salian PSSI, PT LIB salaku pengelola liga di Indonesia kudu tanggung jawab perkawis teknis di stadion sapertos kapasitas maksimal stadion sareng waktos pertandingan. Para supporter oge kudu daek diajak kerja sama ngarah kaamanan sareng kaselametan di stadion kajamin.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1595", "text": "Lamun keur stress biasana urang sok ngaberesihan imah ku cara sasapu atawa ngepel tehel. Cara ieu dilakukeun lantaran meh pikiran teh tersalurkeun kana beberesih. Jadi urang moal mikiran teuing kana permasalahan anu nyebabkeun urang jadi stress. Energi urang disalurkeun kana hal-hal positif nyaeta beberesih. Salian stress jadi ngurangan atawa ngaleungit, ditambah lingkungan imah oge jadi beresih. Beberesih imah teh jadi terapi nu sok urang gunakeun mun keur stress. Matak beberesih imah teh tara pas rek berangkat gawe, tapi malah mah pas balik gawe. Jadi mun cape tea mah meh sakalian cape. Mun ninggali imah beresih jeung rapih, pikiran oge bakal leuwih katata.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6786", "text": "Ayeuna mah awak teh sok gampang cararape lantaran cicing wae di imah, tara ka luar jeung tara olahraga. Padahal aya sababaraha cara anu tiasa dilakukeun di imah nyalira supados tetep seger jeung teu gampang cape. Biasana urang sok nyeri tonggong lantaran sok gogoleran wae, atawa nyeri panon lantaran di hareupeun layar hp jeung laptop wae. Urang tiasa ngalakukeun olahraga suku pas nuju calik di korsi, atawa olahraga panon pas nuju diharepeun laptop. Carana urang tinggal ngiceupan panon sababaraha kali, teras ningal ka tempat anu jauh teras ningal deui ka tempat anu dekeut, diulang-ulang nepi ka urang ngarasa tos teu lieur deui.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9463", "text": "Penginapan jadi salah sahiji anu penting lamun urang keur liburan. Salian ti nyaman, desain interior kamar jadi hal anu paling diperhatikeun. Di Jakarta, aya hotel anu miboga dekorasi jeung desain interior nu kentel pisan gaya kontemporerna, ngarana Artotel. Lamun ceuk kuring, ieu hotel anu boga rasa seni nu kentel. Kamarna teu gede, tapi sagala rupa nu aya di jerona ngadukung pisan suasana seni kontemporer. Ti mimiti tembokna anu dihias ku mural art, furnitur anu dipilih oge boga desain nu unik. Aya meja kerja anu boga lampu warnana bisa rupa-rupa. Sanajan aya di Jakarta, hotel ieu mawa suasana anu jauh ti perkotaan. Mondok di hotel ieu, ngarasa mondok di jero studio seni. Ieu jadi salah sahiji pangalaman mondok di hotel anu paling unik.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9469", "text": "Nganjang ka imah bibi di Bali jadi salah sahiji pangalaman liburan anu nyugemakeun kuring. Salian bisa panggih jeung emang, bibi, jeung misan nu geus lila pajauh, Bali miboga suasana anu unik. Sajajalan, loba sarupaning sajen anu ditunda di trotoar atawa hareupeun imah. Seungit dupa jeung suasana pantai jadi nu paling kuring inget. Imah bibi kuring aya di daerah Nusa Dua. Di dinya, mun sapangalaman kuring di Bali, jadi tempat anu paling tenang. Tiis ceuli herang panon. Beda jeung di Kuta atawa Seminyak. Misan kuring nyarita, yen manehna teu pati betah lamun ulin-ulin ka pantai nu loba wisatawanna. Asa pahibut ku jelema, kajaba kotorna euweuh dua. Di Nusa Dua, kuring bisa ngarasaan suasana Bali anu beda tibatan anu digambarkeun jeung dicaritakeun ku jelema-jelema nu geus pernah ka Bali.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2781", "text": "Didiyeu mangeupakeun peupeujeuh jang mastikeun pikeun milih mesin cuci anu cocog sareng kabutuhan anjeun.\nkahiji, Dimensi: pilih diménsi (wewengkon, jangkungna) tina mesin cuci nu cocog pikeun dimana anjeun cicing. Pastikeun anjeun henteu salah milih mesin cuci anu ukuranana langkung ageung tibatan rohangan di tempat tinggal anjeun. Kadua pilih tutup hareup atawa tutup luhur: Sabenerna mah teu ngarti béda, kaunggulan atawa kalemahan tina dua jenis model ieu. Tapi, di imah, kolot mah sok milih mesin cuci top loading, meureun sabab geus biasa jeung mesin cuci kawas kitu, kawas keur ngora. Panginten hal-hal di luhur tiasa ngabantosan anjeun milih mesin cuci anu cocog sareng kabutuhan anjeun. Dina waktos ayeuna, seueur ogé mesin cuci anu nawiskeun fitur tambahan sapertos tingkat bising anu rendah nalika dioperasikeun supados henteu ngaganggu kagiatan anjeun atanapi kagiatan jalma sanés.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7052", "text": "Sedekah asalna tina kecap Arab \"shadaqah\", asalna tina kecap sidq (sidiq) anu hartina \"bebeneran\". Nurutkeun Perda BAZNAS Nomer 2 Taun 2016, sedekah nyaeta harta atawa non-harta anu dikaluarkeun ku jalma atawa badan usaha di luar zakat pikeun kapentingan umum. Sedekah mangrupa amalan anu dipikacinta ku Alloh SWT. Hal ieu dibuktikeun ku lobana ayat Al Qur'an anu nyebutkeun ngeunaan amal, salah sahijina aya dina surat Al-Baqarah ayat 271. Aya sababaraha kautamaan sedekah, di antarana nyeta sedekah moal ngurangan harta urang lantaran bakalan digenetosan ku pahala anu langkung sae ku Gusti Alloh. Sedekah oge bakalan ngahapus dosa-dosa urang jeung tiasa janten sarana ngumpulkeun pahala anu seeur pisan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "79", "text": "Pentingna milih alat dapur anu aya standar food grade dina masak. Leuwih alus alat nu digunakeun dijieunna tina material nu aman jeung teu mangaruhan rasa jeung kulitas dahareun nu diolah. Jeung nu paling penting, kudu milih alat masak nu babari diberesihkeunna, ngameh dahareun nu diolah tetep aman pas didahar. Cara milih bahan dasar nu aman jang dipake, di antarana teh stainles, silikon, anti rapet, jeung tina baja. Stainless teh nyaeta salah sahiji material alat masak nu asup kana kategori food grade jadi aman kanggo kasehatan. Silikon dirancang ku rupa-rupa warna, anti rapet, jeung tahan noda. Jadi kudu leuwih milih-milih alat masak nu aman jang digunakeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7390", "text": "Kaulinan hula hoop oge gaduh mangpaat tiasa ngajadikeun awak barudak leuwih fleksibel. Hiji deui mangpaat anu bisa dirasakeun tina kaulinan ieu nyaeta pikeun ngalatih konsentrasi barudak dina ngajaga pinggel ngarah teu ragrag. Kaulinan ieu katingalina gampang. Sanajan kitu, saha wae anu karek nyobian kaulinan ieu bakal hese. Upami murangkalih urang henteu tiasa hula hoop, aranjeunna tiasa latihan unggal dinten supados leres. Upami aranjeunna parantos tiasa maen hula hoop, urang oge tiasa ngadamel lolombaan kanggo murangkalih supados aranjeunna langkung sumanget maen hula hoop. Saha wae pasti tiasa maen hula hoop, asal manehna kedah konsentrasi jeung tetep latihan unggal poe nepikeun lancar.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2720", "text": "Ngungkulan setrés\r\nPanaliti ngeunaan épék psikologis tina latihan ngungkabkeun yén éta tiasa ngirangan depresi sareng ningkatkeun kamampuan pikeun ngatasi setrés.\r\nNyieun saré beuki nyenyak\r\nNaha anjeun sesah bobo wengi atanapi sering hudang tengah wengi? Latihan anu teratur tiasa ngabantosan anjeun bobo langkung gancang sareng nyenyak. Tapi ulah exercising deukeut teuing ka waktu sare.\r\nMulangkeun gairah séksual\r\nNaha anjeun sering teuing capé atanapi ngarasa teu nyaman sareng bentuk awak anjeun nalika badé berhubungan seks? Mimitian latihan pikeun ningkatkeun sumanget anjeun ogé kéngingkeun penampilan awak anu langkung saé. Salaku tambahan, kagiatan fisik ogé tiasa ningkatkeun gairah awéwé sareng ngirangan résiko disfungsi érectile di lalaki.\r\nBoga waktos nu bagus\r\nOlahraga sareng kagiatan fisik mangrupikeun cara pikeun nyéépkeun waktos luang kalayan senang. Éta ogé tiasa ngabantosan nguatkeun hubungan sareng kulawarga sareng babaturan nalika ngalakukeunana babarengan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3589", "text": "Jalma kahiji anu tiasa nyalametkeun urang tina musibah nyaéta \"diri urang\"\n\nKu alatan éta, pangaweruh mitigasi jeung/atawa kasiapan bencana kudu diajar ti leuleutik. Komo deui lamun urang cicing di daerah rawan bencana kawas Indonesia.\n\nNaon anu bisa urang pigawé?\nNgakuan potensi ancaman bencana di wewengkon tempat urang cicing atawa cicing\nNyaho jalur évakuasi atawa jalur nyalametkeun diri nalika aya musibah, boh lini, tsunami, longsor, caah, jrrd.\nNgawas informasi bencana ngaliwatan sagala rupa sumber. Ayeuna geus loba aplikasi bencana nu bisa diundeur dina handphone, upamana Inarisk ti BNPB.\nNgabeungharan pangaweruh ngeunaan bencana ku maca literasi bencana. nah kumargi kitu eta hal nu kudu bisa digambarkeun yen ker bencana nya diri nyarira.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7620", "text": "Numutkeun ka JB Say (1803), anjeunna nyebatkeun yen wirausaha mangrupakeun surang palaku usaha anu tiasa ngatur sumber daya anjeunna ku cara anu efektif jeung efisien, jeung ngatur sumber daya eta tina daya produksi anu saeutik jadi loba. Aya oge pamadegan ti Dan Stein jeung John F. Burgess (1993) anu nyebutkeun yen wirausahawan nyaeta jalmi anu apal kmaha carana ngatur, ngajalankeun, jeung wani nyandak resiko kanggo nyiptakeun bidang bisnis anyar. Numutkeun ka Joseph Schumpeter, wirausaha nyeta jalmi anu gaduh kesempetan teras manehna tiasa robah kasempetan eta janten bisnis atawa usaha anu nguntungkeun. Arif F. Hadipranata nyebutkeun yen wirausaha mangrupakeun saurang jalmi anu wani nyandak resiko dina sadaya kagiatan bisnisna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9497", "text": "Jogging mangrupikeun salah sahiji kagiatan anu paling gampang jeung paling murah anu bisa dilaksanakeun dina waktu lowong. Sajaba ti eta, jogging oge bisa jadi cara efektif pikeun ngajaga kasehatan fisik. Ku jogging sacara rutin, urang tiasa ngirangan resiko tina sagala rupa panyakit, saperti obesitas, hipertensi jeung panyakit jantung. Jogging oge bisa ningkatkeun sistem imun jeung ngabantu kanu kualitas sare urang. Sajaba ti eta, jogging oge bisa jadi kagiatan keur urang refreshing ti pagawean sapopoe. Urang bisa ngalakukeun hal eta di tempat anu dipikaresep, atawa di tempat anu endah, kawas taman atawa pantai. Urang oge bisa ngalakukeunana sorangan atawa bareng rerencangan. Jogging oge bisa jadi cara anu alus pikeun ngaleungitkeun stres jeung ningkatkeun kabahgiaan. Jadi, lamun urang keur neangan cara anu efektif jeung pikaresepeun pikeun ngeusian waktos luang, jogging tiasa janten pilihan anu pas. Hayu atuh urang sami-sami jagi kasehtan diri ku jogging rutin di waktu lowong urang!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "956", "text": "Cara babari ngagunakeun kamera DSLR jang pemula. Nu kahiji nyaho fungsi tombol dina kamera DSLR. Nyaho fungsi dina masing-masing tombol jadi lengkah mimiti nu kudu diperhatikeun. Nu kadua kudu ngabiasakeun diri sorangan ku fungsi viewfinder. Viewfinder ieu mangrupakeun kaca leutik nu biasa digunakeun jang motret. Nu katilu nentukeun fungsi lensa anu bener. Lensa anu digunakeun dina kamera DSLR mibogaan jenis nu beda-beda gumantung kabutuhanna. Nu kaopat make mode fotografi anu bener. Jadi kudu ngabiasakeun diri sorangan jang nyobaan rupa-rupa mode fotografi. Nu kalima diajar ngatur cahaya anu asup kana lensa, ulah nepikeun ka poek teuing atawa sabalikna nyaeta serab teuing.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "877", "text": "Body rafting teh salah sahiji olahraga cai tapi teu ngagunakeun parahu atawa dayung. Harita kungsi pas keur body rafting di Pangandaran di sisi-sisina teh loba tatangkalan anu luhur. Teu lila pas ancrub kana cai, tuluy aya tangkal nu geus kolot ragrag ka tempat body rafting. Para pengunjung teh langsung naraek deui da sieun katinggang soalna ukuran tangkal atawa awi anu ragrag teh lumayan gede, mun keuna ka nu keur body rafting bisa wae cedera parah. Keur mah body rafting teu pake pengaman nanaon, ngan saukur make helm. Geus kitu mah body raftingna teu dituluykeun sanajan karek ancrub, soalna mending ngaheulakeun kasalametan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5350", "text": "Tilu cara supaya dilancarkeun rezekina. Nu kahiji nyaeta sholat sunah duha. Tah, salah sahiji cara ngalancarkeun rezeki nyaeta ngalaksanakeun sholat sunah dhuha. Kakuatan sholat sunah dhuha teh mantak ngadatangkeun sababaraha kabaikan ka diri urang, spesifikna dina hal rezeki. Nu kadua nyaeta sedekah. Mun urang sering ngalaksanakeun sedekah, urang ge secara teu langsung keur investasi jang diri urang sorangan. Sabab naon nu dikaluarkeun pasti bakal kagantian dina bentuk nu leuwih hade. NU katilu nyaeta amalkeun surat Al-Waqiah saberes sholat. Tah ngamalkeun surat Al-Waqiah teh mantak ngadatangkeun rezeki nu sakitu ngalimpahna di kahirupan urang jeung deuih bakal dibere kalancaran dina sagala hal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2407", "text": "Tari Gandrang Bulo nyaéta tarian tradisional khas masarakat Sulawesi Kidul, Makassar. Tarian ieu dipirig ku ketukan bedug jeung ketukan awi, kecap \"Gandrang Bulo\" anu ngandung harti Gandrang anu hartina nyiruan atawa punch sarta bulo anu hartina awi. Sacara umum, tari-tari daerah baris dipentaskeun sacara serius, béda jeung Gandrang Bulo, tarian ieu nyaritakeun banyol jeung ejekan kalawan sisipan kritik anu pedih tapi tetep méré kesan lucu jeung ngahibur. Dialog anu dipaké dina tarian ngawengku masalah politik, sosial jeung budaya. Dina ngalakukeun tarian ieu penari kudu kasampak senang. Jero-jerit penari Gandrang Bulo lain ngan saukur jerit-jerit, tapi nyembur-nyembur emosi jeung sumanget. Dina sajarahna, dina jaman kolonial, masarakat Sulawesi Kidul disangsara ku penjajah ku cara maksakeun tanaga gawé paksa, sarta mindeng ngalaman kakejaman ti penjajah, anu disiksa, digebug, jeung dicambuk.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "525", "text": "Jang ngamumule lagu daerah tangtuna jadi kawajiban orang-orang dewasa jang ngajarkeun ka barudak. Carana nu babari nyaeta ngahaleuangkeun lagu daerah. Kolot oge guru mibogaan kawajiban jang ngajarkeun lagu daerah ka barudak ngameh maranehna wanoh kana rupa-rupa lagu daerah. Cara nepikeun lagu daerah ka barudak oge kudu kreadif, jadina barudak teh teu ngarasa bosen. Atawa bisa dicobaan ku nyieun lomba lagu daerah, mun aya lomba biasana bakal ka motivasi komo deui meunangkeun hadiah mah. Ku nyieun lomba lagu daerah, barudak teh bakal diajar lagu daerah nepikeun ka apal. Salian ti eta, di sela-sela acara lomba bisa mere edukasi jeung motivasi pentingna lagu daerah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3885", "text": "Donat salah sahiji jajanan camilan nu biasa di panggihan aya di mana wae, penjual donat di gigireun jalan, anu keliling nepi ka di cefe jeung toko kueh urang bisa manggihan donat. Basa poe minggu urang jeung babaturan olah raga di sabudeureun imah tuluy manggihan hiji ngajual donat.Akhirna urang meuli donat pikeun sarapan, donat nu ieu donat nu toping na ngan gula halus harga na sarebuan. Donat mémang jajanan anu ogé cocog pikeun sarapan, rasana nyugemakeun sabab di jieun tina campuran tipung jeung ditambahkeun saeutik kentang sangkan anjeun wareug leuwih lila. harga donat ogé beda-beda ti antara dua rébu nepi ka lima belas rébu. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4097", "text": "Yan Gymnastiar (lahir 29 Januari 1962) atawa leuwih katelah Abdullah Gymnastiar atawa Aa Gym nyaéta saurang pendakwah, panyanyi, panulis buku, pengusaha jeung pangadeg Pasantrén Daarut Tauhiid di Jalan Gegerkalong Girang, Bandung. Aa Gym mimiti da'wah di TV Nasional sarta populer di awal taun 2000.Aa Gym sering ngadiskusikeun topik anu aya hubunganana sareng kulawarga sareng pamiarsana konsentrasi ka ibu rumah tangga, citrana dipénta janten ustadz kulawarga bahagia. Hal ieu jadi polemik nalika média ngumumkeun yén Aa Gym poligami sarta nikah ka awéwé séjén, nyaéta Alfarini Eridani atawa ogé katelah Teh Rini dina bulan Désémber 2006, waktu éta pamajikan kahijina nyaéta Ninih Muthmainnah atawa katelah ogé Teh Ninih, anu geus jadi pamajikanana. pamajikan ti taun 1988 sarta geus dikaruniai tujuh anak. Seueur fansna anu kuciwa sareng ngirim SMS ranté, nyerat dina blog sareng Surat Pembaca, nelepon telepon ka stasiun TV, eureun nganjang ka Daarut Tauhiid, sareng milu turun ka jalan sareng demonstrasi ngalawan poligami Ieu boga dampak dina popularitas sarta bisnis na. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "815", "text": "Sanajan wall sit kaciri gampang jeung kaasup olahraga nu hampang, tapi dina ngalakonanna mah hese. Kudu apal teknik-teknikna. Loba jelema nu teu merhatikeun sababaraha kasalahan jeung mindeng kajadian pas keur ngalakukeun wall sit jadina mangpaat nu dibere can optimal. Contona wae pas katinggali mah lolobana make beutis daripada pingping, padahal kuduna suku bagian handap kudu sajajar jeung taneuh oge tuur pas di luhur pageulangan suku. Tuluy posisi pingping kudu 90 derajat ka suku bagian handap jeung tonggong. Tuluy titik beurat nu kuduna mah ayana dina keuneung lain dina ramo suku. Keuneung kudu dina taneuh atawa lantai. Soalna mun ramo suku jadi titik beuratna bakal ningkatkeun resiko cedera.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7419", "text": "Ayeuna urang ngabahas kaulinan anu tiasa dimaenkeun ku saha wae, budak leutik anu teu pati jago maenkeun kaulinan dina komputer oge pasti tiasa maenkeun ieu. Purble Place mangrupakeun kaulinan anu nyadiakeun sababaraha kagiatan anu tiasa dimaenkeun, janten urang teu kedah pundah pindah kaulinan lamun geus maenkeun kaulinan ieu. Kagiatan di kaulinan ieu nyaeta di antarana aya ngahias kue sasuai jeung pesenan ti anu meser, kaulinan ngahias bengeut, sareng kaulinan tetebakan anu bakal ngasah kainget urang. Kaulinan ieu janten karesep barudak leutik lantaran jeung warna na tampilan na anu lalucu. Kaulinan ieu dijieun kanggo Windows 7 tapi hanjakal tos dihapus di Windows 8. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "500", "text": "Upacara seren taun nyaeta ungkapan rasa syukur jeung doa masarakat Sunda ngeunaan suka dukana nu maranehna alaman utamana dina bidang tatanen salila sataun nu katukang jeung taun nu bakal datang. Seren taun oge dilaksanakeun tiap tanggal 22 bulan Rayagung salaku bulan terakhir dina itungan kalender Sunda. Salian ti ritual-ritual nu sifatna sakral, digelar oge kasenian jeung hiburan. Bisa disebut oge kagiatan ieu mangrupakeun hubungan antara jelema jeung gusti Allah, oge jeung sasama makhluk atawa alam boh ngaliwatan kagiatan kasenian, pendidikan, jeung sosial budaya. Dina upacara seren taun nu jadi objek utamana nyaeta pare. Pare dianggap salaku lambang kamakmuran sabab daerah tatanen nu rupa-rupa carita klasik sastra Sunda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5325", "text": "Tadi siang abdi ngiringan kajian di salah sahiji masjid besar daerah Bandung raya. Abdi ngahaja inditna ti subuh keneh supaya kenging tempat nu panhareupna. Kajian ieu teh mangrupakeun kajian rutin nu sok diayakeun ku pangurus masjid setempat. Kajian nu tadi siang teh penceramana nyaeta Ustad Abdul Somad. Saha nu teu terang ka anjeunna. Nami Ustad Abdul Somad teh sering dilandih UAS, tos kasenter di saluruh Indonesia, dugi ka luar nagari oge. Dina nyampaikeun dakwahna, anjeunna cenderung tegas sareng bijaksana dina ngajawab sagala kabingungan jamaahna. UAS teh janten salah sahiji pendakwah paporit abdi pisan sabab ceramahna sok diselingi ku guyonan, janten teu serius teuing dina nyerep elmu na teh. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5031", "text": "Hidden gems di aliran sungai Citarum Sektor 10 Kabupaten Bandung Barat. Hidden gems di daerah sapanjang aliran sungai Citarum nyaeta aya lima tempat wisata. Nu kahiji nyaeta bendungan Saguling nu lokasina di Cipongkor, Saguling. Tempat ieu mangrupakeun tempat popotoan nu aya na di deukeut pintu air aliran lama bendungan saguling. Nu kadua nyaeta Cikahuripan. Hidden gems ieu ayana di handapeun bendungan Saguling. Cikahuripan mah samacam green canyon na Citarum kitu. Nu katilu nyaeta Sanghyang Heuleut. Sanghyang Heuleut lokasina di Cipanas, Saguling. Akses jalan kadieu nyaeta mapay kebon jeung leuweung. Tracking na sakira satengah jam mun rada santai mah. Nu kaopat nyaeta Sanghyang Poek. Wisata ieu lokasina di Cisameng tepatna di handapeun Sanghyang Heuleut. Tempatna mangrupa goa nu endah. Nu kalima nyaeta Sanghyang Kenit. Lokasina di Cisameng, komplek PLTA Saguling. Sanghyang kenit mangrupakeun wisata susur goa jeung arung jeram. Akses jalan na nyaeta kur lima belas menit mun ti PLTA Saguling.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2386", "text": "Indung bapa abdi damel di Jayapura sareng biasa mawa ieu. Abdi henteu kantos nyobian rasa anu sanés, ngan ukur anu asli sareng ngeunah pisan. Rasanya yuuuuummmyyy. Abdi resep pisan éta. Janten, saatos bapa kuring balik ka Jawa, kuring henteu kantos tuang ieu deui. Nepi ka kuring tepang jeung babaturan kuring nu jadi pilot mawa ieu oleh-oleh. Anjeunna mawa rupa-rupa rasa, aya ogé coklat abon. Sumpah kuring henteu pernah nyobian?! Abdi teu tiasa ngabayangkeun rasa coklat sareng abon.. hmmmm. Pas dicoba... Jujur aing jatuh cinta :( enak pisan, dahar 3 hahaha isin meuli jauh teuing da atuh di paoua jauh jeung ai online ge bakal ongkir na awis.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3073", "text": "Token Non-Fungible (NFT) mangrupikeun salah sahiji aset anu paling pikaresepeun. Kawas investasi di aset sejen, NFTs teu salawasna mayar kaluar. Sanaos alesan utama jalma mésér NFT nyaéta pikeun ngahasilkeun artos, seuseueurna panyekel NFT dina survey DEXterlab (58.3%) nyatakeun yén NFTna dugi ka ayeuna henteu nguntungkeun. Di sisi anu sanésna, aya sakitar 41.7% réspondén anu ngaku kauntungan tina NFT anu aranjeunna mésér. Salaku tambahan, survey DEXterlab ogé nunjukkeun sabaraha artos pembeli NFT anu daék dibalanjakeun sacara global. Hasil survéy nunjukkeun yén mayoritas (48%) daék méakkeun AS $ 50 ka AS $ 500 pikeun NFT maranéhna rék dibeuli. Salah sahiji, jawaban pang populerna kadua, milih ku 25,5%, mayar leuwih AS $ 2,000 pikeun hiji NFT.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7152", "text": "Hiji poe, Sangkuriang nuju moro hate kijang kanggo mamahna, sapertos biasana manehna dibaturan ku Si Tumang. Pas ningal aya hiji kijang nuju emam jukut, Sangkuriang nitah Si Tumang ngudag eta kijang, tapi Si Tumang teu nurut. Lantaran keheul, Sangkuriang ngancem bakal maehan Si Tumang. Tungtungna, manehna maehan Si Tumang jeung nyokot hatena. Dayang Sumbi anu teu terang langsung masak jeung ngadahar hate Si Tumang. Pas manehna apal yen hate eta teh hate carogena, Dayang Sumbi langsung murka ka Sangkuriang, teras nakol Sangkuriang make gayung tina batok kalapa. Sangkuriang teras indit lantaran keheul, mamahna leuwih nyaah ka Si Tumang tibatan anakna sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8807", "text": "Waktu harita kuring jeung babaturan sakelas dititah squat jump ku guru olah raga di sakola kuring. Squat jump mangrupikeun latihan anu ringan pikeun kuring, kuring ogé sering ngalakukeun éta unggal isuk saatos hudang. Urang ngalakukeun babarengan jeung urang kudu kompak, sabab lamun urang teu ngahiji, ngitungna bakal dimimitian deui ti awal. Ieu oge katilu kalina urang ngamimitian ngitung ti awal deui kusabab babaturan kuring ngabodor, janten teu tiasa babarengan. Basa keur squat jump, babaturan kuring ujug-ujug humandeuar yén suku na keram teu bisa gerak, jadi urang eureun heula sakeudeung. Ku guru olahraga, babaturan kuring dibawa ka sisi lapang jeung dipariksa sukuna, bari arurang anu jagjag mah terus squat jump nepi ka rengse.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4233", "text": "Bakpia anu terkenal pisan di Yogyakarta nyaeta Bakpia Pathuk, bakpia pathuk oge ayeuna lain ngan ukur kacang hejo. Tapi mibanda kaunikan séjénna, nya éta ngabogaan rupa-rupa isian saperti Kumbu hideung, coklat, kéju, nanas, durian, kacang coklat jeung rupa-rupa rasa séjénna. Malah kiwari geus loba modifikasi rasa anyar saperti cappucino, bakpia ubi ungu, jeung bakpia kimpul. Salaku kadaharan tradisional Jogja, Bakpia geus narik loba perhatian ti wisatawan malah wisatawan asing. Contona, dina tanggal 31 Januari 2014, Miss Universe 2013 Maria Gabriela Isler ti Venezuela jeung Miss Indonesia 2014, Elvira Devinamira, mampir ka salah sahiji sentra produksi Bakpia jeung ngicipi kaistimewaan Jogja ieu. Saban mangsa liburan, upamana libur sakola, libur long weekend, Lebaran, Natal jeung Taun Baru, sabab jumlah wisatawan jeung jalma ti luar wewengkon beuki nambahan anu nganjang ka Yogyakarta, produsen Bakpia Pathuk dibanjiri ku pesenan bakpia. Sakapeung para produser Bakpia Pathuk ogé silih tulungan pikeun minuhan pesenan produser séjén, hususna sasama industri rumah tangga.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7070", "text": "Imlek nyaeta tradisi anu dirayakeun ku urang Tionghoa di sakumna dunya minangka sukur sareng ngarepkeun rezeki anu bakal datang. Numutkeun Kalender Gregorian, Taun Anyar Cina tumiba dina tanggal anu beda unggal taun, antara 21 Januari sareng 20 Pebruari. Di Indonesia, Taun Baru Imlek ditetepkeun minangka libur ku SK Pamarentah 1946 No.2/Um. Saterusna, poe ieu ditetepkeun minangka Poe Nasional kalawan Kaputusan Presiden 19/2002. Numutkeun salah sahiji ahli sajarah, perayaan ieu dilaksanakeun ku para patani di Cina pikeun nyambut parobahan musim, ti usum tiris ka musim semi. Salian ti eta, unggal datang musim semi, urang Tionghoa oge boga adat ngucapkeun Sin Cin Kiong Hai, anu hartina Wilujeng Musim Semi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "67", "text": "Cara jadi chef teu sagawayah, teu ngan ukur bisa masak hungkul. Tapi cara jadi chef oge kudu dibarengan ku latihan di imah, gawe di restoran, jeung daek narima saran ti batur. Leuwih alus lamun miluan pelatihan jadi chef, biasana sok aya di sakola ge. Naha kudu latihan masak, sabab meh bisa masak gancang. Komo lamun gawe di restoran,anu pelangganna teh loba, hayang teu hayang kudu gancang masak ge. Bisa oge merhatikeun chef-chef lain nu geus kasohor, tinggali teknik-teknikna. Cukup ku nonton tayangan ngeunaan masak-masak jeung tutorialna di internet. Terakhir bisa neangan gawe di restoran sangkan bisa ngaronjatkeun kaparigelan, teu nanaon restoran nu biasa-biasa wae ge, da unggal jelema pasti mulaina ti handap heula.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7364", "text": "Jogging mangrupa aktivitas mapah santei anu mangpaat pikeun kasehatan awak lamun rutin dilaksanakeun. Sanaos katingalina saderhana, jogging kedah dilakukeun leres pikeun ngirangan resiko cidera. Ku sabab eta, urang kedah ngarti kumaha persiapan jogging anu bener jeung tehnikna samemeh urang ngalakukeun eta. Jogging mangrupikeun cara anu sae pikeun ngawangun massa otot, ngaduruk kalori, ngirangan gajih dina awak, sareng ngajagi kasehatan jantung. Olahraga ieu malah disebut leuwih efektif tibatan ngaduruk gajih beuteung ku cara ngangkat beurat. Sateuacan jogging, penting pikeun milih sapatu lumpat anu sasuai sareng ukuran suku urang sareng milih sapatu anu karasa nyaman dina suku nalika urang ngalengkah. Salian ti faktor kanyamanan, milih sapatu anu pas oge tiasa ngirangan resiko cidera.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7357", "text": "Baheula pas jaman SD keneh, abdi sareng rerencangan resep pisan ulin karet gelan anu diuntun. Urang nyebutna maen karet. Aturan maenna aya dua jalmi anu nyepeng karet, jalmi nu sanes kedah luncat teu meunang beunang karet. Mulai ti anu paling pondok sa mata kaki, nepikeun ka anu paling jangkun di luhureun hulu. Abdi resep maen karet lantaran tiasa luluncatan. Komo lamun ulin sapintrong, tiasa bari seuseurian sareng rerencangan. Sanajan resep ulin karet, abdi sanes kaasup jalmi anu jago ulin karet, utamana lamun ulin anu jarangkung. Kuring mah ngan tiasa nepi ka dada hungkul. Biasana kuring janten anak bawang anu dibantosan ku rerencangan anu jago.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5319", "text": "Pangaosan rutin syahriahan teh mangrupikeun hiji kagiatan nu sering diayakeun di lembur abdi. Rotinan syahriahan teh diayakeunna sabulan sakali, jeung nu hadirna khusus jamaah istri. Pangaosan rutin ieu teh biasana diikuti ku sadaya ibu-ibu majelis ta'lim nu aya di hiji desa. Syahriahan biasana ngondang penceramah nu terkenal ti luar kota. Tujuan diayakeun ieu kagiatan teh supaya bisa ngajalin silaturahmi antarjamaah, oge supaya bisa jadi evaluasi jang kagiatan pangaosan rutin mingguan nu diayakeun di unggal majelis ta'lim. Hampir sadaya ibu-ibu di lembur pasti ngiringan syahriahan sabab salian neang elmu, oge jadi salah sahiji wisata religi nu deukeut jeung kajangkau ti imah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5367", "text": "Idul Adha nyaeta salah sahiji hari raya dina agama Islam. Idul Adha dilaksanakeun tanggal 10 Dzulhijjah, atawa 70 poe beres lebaran Idul Fitri. Idul Adha nyaeta milangkala peristiwa Nabi Ibrahim nu kersa ngurbankeun putrana, Ismail, sebagai wujud kapatuhanna ka Gusti Allah SWT. Nu khas tina hari raya ieu nyaeta ana prosesi penyembelihan sato qurban, jiga sapi jeung domba. Idul Adha oge digelar sholat ied di unggal masjid jamie atawa lapangan lembur satempat. Hewa qurban na teh ti umat muslim nu mampu jang ngalaksanakeun ibadah qurban. Penyembelihan sato qurban na dilaksanakeun saberes sholat ied. Hasil qurban na dibagi rata jeung jumlah masyarakat tuluy dibagikeun ka unggal imah. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8127", "text": "Aya hiji lalaki ngaranna Doni anu hobi ngumpulkeun kamera. Anjeunna parantos ngagaduhan ratusan kamera tina sababaraha jinis sareng merek. Doni mimiti hobi ngumpulkeun kamera saprak anjeunna ngora, nalika bapana masihan anjeunna kamera pilem basajan salaku hadiah ulang. Saprak harita, Doni jadi resep fotografi sarta mimiti ngumpulkeun rupa kamera. Anjeunna ngagaleuh kamera pilem, kamera digital, kamera polaroid, bahkan kamera klasik anu henteu diproduksi deui. Unggal waktos anjeunna mendakan kamera enggal, anjeunna bakal bagja sareng sumanget pikeun nambihan koleksina. Doni oge resep kana sajarah fotografi sareng kamera. Anjeunna diajar ngeunaan pamekaran teknologi kamera ti mimiti diciptakeun sareng terang rinci ngeunaan rupa-rupa kamera klasik anu anjeunna kumpulkeun. Anjeunna malah ngagabung komunitas enthusiast kamera klasik jeung milu dina acara pameran kamera jeung disilihtukeurkeun informasi kalawan kolektor sejen.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1150", "text": "Ayeuna mah geus loba cara ngahasilkeun duit teh sanajan urang masih keneh diuk di bangku kuliah, nu penting mah aya kahayang jeung teu eraan. Sabab di kuliahan loba target pasarna. Mun urang leukeun kreatif mah, bisa wirausaha jasa siga jasa print sakelas, atawa jualan pulsa. Mun dina wirausaha dagang, urang bisa dagang kadaharan lantaran nu ku urang tinggali mah mahasiswa loba nu mager mun kudu ka kantin, jadi bisa wirausaha siga dagang snack-snack ringan ngarah mawana oge teu rimbil. Mun jasa print mah biasana tiap fotokopian narima koordinator print tiap kelas, ngarah harga nu dibere ka koordinator mah leuwih murah, sabab urang ngaprint na loba sakelas.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6504", "text": "Hubungan jeung babaturan teh sakapeung mah sok asa ka dulur sorangan. Sok aya hiji babaturan anu dipikaseneng pisan nepi ka mana-mana babarengan wae. Malahan mah aya oge babaturan anu jiga dulur pisan, teu asa-asa mun aya nanaon teh. Teu jarang oge mun disebut sandal japit ku batur sabab saking ku seringna ka mana-mana duaan jeung ngalakukeun hal-hal babarengan. Mun nuju di kostan oge sadayana teh sok barengan wae, model kamar, alat, jeung sajabana nu diperlukeun. Jadi mun aya nanaon oge sok duaan jeung babaturan, termasuk silih uruskeun mun keur gering di rantauan. Jadi asa aya gaganti dulur we dina sagala hal, termasuk oge dina ngurus kahirupan sapopoe.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6644", "text": "Salain ti karedok leunca abdi oge kirang resep ka karedok kacang panjang. Abdi teu emam karedok kacang panjang sanes ku pedag era budak ngora ngadahar karedok kacang panjang. Tapi lantaran rasana teu cocok di letah abdi. Abdi tos sababaraha kali nyobian karedok kacang panjang di sababaraha tempat, tapi rasa na sami, teu aya nu cocok. Salah sahiji alasanna nyaeta abdi kirang resep sayuran atah lantaran rasana pait. Padahal lamun kacang panjangna dipasak janten tumisan langkung nikmat rasana. Hiji-hijina sayuran atah anu tiasa diemam ku abdi nyaeta salada bokor, komo mun dicocol ka sambel jeung di dahar bareng hayam atawa daging jeung sangu haneut.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1186", "text": "Jualan online teh praktis jeung fleksibel. Urang leuwih babari ngalakukeun pencatatan penjualan lantaran kabeh transaksi bakal karekam sacara online. Lantaran urang pernah jualan pulsa tapi sistemna offline, unggal peuting saenggeus penutupan atawa closing urang kudu nyatet dina buku ngagunakeun pulpen. Ieu tangtuna teu efektif komo jang jelema anu sibuk mah. Jualan di online oge nu meuli barang urang bisa 24 jam nonstop, tinggal nyaluyukeun jeung urang nu iraha dek ngirimkeun barangna. Ieu ge karasa pas urang jualan buku di online, nu meuli teh lolobana peuting, da meureunan nu calon pembeli teh loba waktuna peuting sabalik gawe. Kagiatan kuliah urang ge teu kaganggu, sabab online jeung bentukna lain toko fisik, urang oge teu kudu nungguan. Paling mun aya nu nanya ngeunaan hiji produk kakara dijawab.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6780", "text": "Abdi ngajakan dua adi abdi jalan-jalan ka Ubertos anu aya di Ujung Berung. Lantaran teu aya motor janten urang naek angkot sakali. Pas dugi di tempat abdi ngajakan pun adi ka tempat wahana kanggo ameng barudak, anu di lebetna aya trampolin kanggo luluncatan. Pangaos tiket ka wahana ieu genep puluh rebu saurang, tapi gratis kanggo anu nganterkeun murangkalih. Atos puas ameng, urang ameng deui di Fun World, seeur kaulinan anu tiasa dicobian sapertos tetembakan, ngasupkeun bola kana liang, jeung sajabana, tapi urang kedah meser koin heula. Tiap kaulinan bakal ngahasilkeun tiket anu tiasa ditukerkeun. Barudak aratoh diajak ka tempat ieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7055", "text": "Lamun aya hiji hamba Allah anu ngucapkeun istigfar jeung taubat ka Alloh, Alloh mah moal ningal sabaraha lobana dosa anu tos dilakukeun ku manehna. Alloh mah bakal ningal istigfar urang. Lamun urang ngucapkeun istigfar bener-bener tulus tina hate, Alloh bakal ngahampura sagala dosa anu kantos dilakukeun urang di jaman baheula. Sanajan urang ngan ngucapkeun istigfar sakali, tapi eta oge geus cekap kanggo ngapus dosa-dosa urang di hareupeun Alloh. Sanajan dosa urang geus loba, geus minuhan langit jeung bumi, Alloh tetep bakal nampi taubat urang lamun urang bener-bener menta dihampura jeung moal balik deui ngalakukeun hal-hal anu pidosaeun. Matak urang kedah mineng istigfar lantaran manusa mah tempatna dosa jeung khilaf.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5815", "text": "Unggal poe pasti we abdi mah sok maenkeun onet. Istunding euweuh kabosen dina menkeun nana ge. Unggal beres pagawean atawa dina sela-sela istirahat gawe, pasti we lumpatna teh kana maen onet. Nepi ka pernah hape sorangan ngelag gara-gara lila teuing maen onet make internet. Hapena nepi ka overhang sabab panas teuing jerona. Geus kitu mah kan kudu eureun heula maen onetna, kudu nungguan lila supaya hapena pulih deui. Biasana abdi maen onet teh tara make sora, jadi sok di offkeun sadaya sorana sabab bisi ngaganggu kanu sejen. Abdi ge sering maenkeun onet make gambar nu rupa-rupa, komo mun koinna geus loba mah jang meuli variasi.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2296", "text": "Nagara Kesatuan Republik Indonesia sakumaha anu urang terang ngagaduhan rupa-rupa suku, budaya sareng kapercayaan. Masing-masing kayakinan sorangan miboga béda-béda antara kayakinan séjénna anu mindeng nimbulkeun béda pamadegan antara hiji kapercayaan jeung kapercayaan séjénna. Di Indonésia sorangan, aya genep agama anu geus diaku sarta hirup babarengan di masarakat ku cara ngajénan ajén-inajén anu diajénan ku séwang-séwangan. Genep agama anu geus diaku di Indonésia nyaéta Islam, Kristen Protestan, Kristen Katolik, Hindu, Budha, jeung Konghucu. Di handap ieu katerangan ngeunaan unggal agama ieu mangrupakeun ka kuatan jang NKRI, nu meregel jeung kitabna sewang-sewang nyaeta al quran, injil, tripitaka, weda, jeung wu jing jeung shi shui.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8818", "text": "Aya sababaraha cara pikeun ngagunakeun treadmill anu bener. Kahiji, ngalakukeun sési latihan pikeun pemula salila 20-30 menit. Biasana samemeh ngawitan make treadmill, urang bakal dibere latihan heula supaya teu salah make. Kadua, pemanasan salila 5 menit, pemanasan dipigawé sangkan otot suku teu tegang jeung kram. Tilu mimiti ngajalankeun treadmillna, urang kedah ngajaga laju 3-4 méter per jam salila 20 menit. Kaopat, niiskeun 5 menit ku nurunkeun laju unggal menit. Percobaan kalawan lajuna sanggeus 1-2 minggu latihan treadmill. Hadé pisan mun éta ningkatkeun laju di luhur tingkat 4 pikeun 1-2 menit lajeng ngalambatkeun turun deui. Urang tiasa ningkatkeun kagancangan urang ti mimiti 0,5 méter per jam salami 1-2 menit.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5736", "text": "Salah sahiji atlet arung jeram favorite abdi nyaeta Taufik Hidayatullah. Anjeunna lahir di Cisameng tahun 2000. Taufik Hidayatulloh atawa nu sering dikenal ku sebutan Opik, mangrupakeun salah sahiji atlet arung jeram nu asalna ti Citarum. Anjeunna teh mangrupakeun anggota club Kapinis. Anjeunna diajar arung jeram teh ti usia SD keneh dugi ka ayeuna. Prestasi nu tos diraih na oge tos dugi ka tingkat internasional. Ayeuna Opik ge masih aktif sebagai atlet arung jeram nu rajin ngikuti sababaraha pertandingan unggal taun na teh. Opik tos ngiribgan ratusan kali pertandingan di tingkat nasional, dugi ka internasional nu sadayana pasti mawa uih medali. Anjeunna layak kenging apresiasi ti pamarentah sabab prestasina nu tos ngaharumkeun nama bangsa Indonesia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4201", "text": "Lagu gundul gundul pacul mangrupa salah sahiji lagu daerah ti jawa tengah, lagu gundul gundul pacul ieu boga harti sacara umum nyaeta nyaritakeun yen lamun jadi pamingpin teh kudu bijaksana ulah sok sombong jeung adigung kudu ngutamakeun karaharjaan rahayat na. Dina rumpaka kahiji pacul gundul, gembelengan ngandung harti yen pamingpin teh sabenerna lain jalma anu dibere mahkuta, tapi anu pamawa pacul pikeun pacul pikeun kapentingan rahayatna. Tuluy anu rumpaka kadua, nyunggi nyunggi wakul kul, gembelengan anu hartina mawa karanjang dina sirah, mangrupa simbul yen pamingpin teh kudu ngajungjung amanat rahayat, jeung rumpaka katilu wakul ngglimpang segane dadi sak latar hartina karanjang digulingkeun, sangu mudun kaci. Harti “karanjang digulingkeun” mangrupa lambang amanat rahayat anu gugur alatan sikep sombong pamingpina. Bisa oge dihartikeun geus euweuh mangpaatna pikeun karaharjaan masarakat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8067", "text": "Arsal ayeuna keur hobi maen olahraga ekstrim. Olahraga ekstrim nu dipikaresep Arsal nyaeta slackline. Slackline teh olahraga nu sifatna ekstrim kusabab arurang kudu tiasa nyaimbangkeun awak pikeun lempang diluhurreun tali nu ngagantung dikajangkungan nu tangtu. Biasana talina dipasang diluhur gawir atanapi jurang. Arsal mimiti nyobian olahraga ieu di taun 2020. Nu ngenalkeun ieu olahraga ka Arsal nyaeta rerencanganna nu janten salah sahiji pegiat slackline Bandung. Diluhureun gawir nu aya di Gunung Hawu, Padalarang Arsal nyobian pertama kali. Perasaan nu Arsal rasakeun nyaeta ngadegdeg teu eren-eren kusabab luhur pisan tali slackline nu digantungna. Saking ngadeg-degna Arsal teu tiasa ngajagi kaseimbangan janten manehna labuh nanging untungna tos diantisipasi ku tali pengaman.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1842", "text": "Kadaharan anu digoréng nyaéta jinis tuangeun anu populer di masarakat Indonésia. Sareng salah sahiji tuangeun goreng anu paling nikmat nyaéta goreng cau. Kadaharan tradisional ieu populer pisan. Biasana cau goreng dijual di sisi jalan dibarengan ku kadaharan goreng séjénna saperti bala-bala, tahu jeung témpé.Goreng cau biasana dijadikeun ménu sasarap sasarap sareng dijabur sareng tea atanapi kopi panas. Di handap ieu conto resép kompléks pikeun nyieun kadaharan goreng cau nu gampang.\n\nBahan:\n\n- cau\n\n- uyah\n\n- tipung\n\n- gula\n\n- minyak goreng\n\n- cai\n\nKumaha cara masakna:\n\na. Lengkah kahiji, hijikeun uyah, gula, tipung jeung cai cukup kana hiji wadah sarta aduk nepi ka sagalana geus kacampur.\n\nb. Teras potong cau janten 2 atanapi 3 bagian teras lebetkeun kana campuran anu didamel tadi.\n\nc. Salajengna, panas minyak goreng dina pan frying sarta antosan dugi minyak panas.\n\nd. Salajengna, nempatkeun cau anu geus dilapis ku campuran tipung kana panci.\n\ne. Lengkah saterusna, bulak balik cau aya kalana nepi ka asak rata.\n\nf. Lamun warna cau geus robah jadi coklat emas, mangka cau goreng geus asak.\n\ng. Leupaskeun cau jeung solokan. goreng cau haneut tinggal dihap.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3587", "text": "Kumaha sikep panghadéna dina nyanghareupan bencana alam?\r\nNalika kuring ngora, hobi kuring ngumpulkeun pangaweruh ngeunaan kasalametan. Ti mimiti ngumpulkeun kadaharan anu siap didahar salila sabulan nepi ka diajar nyieun seuneu maké palastik nu dieusi cai (pikeun nyieun lénsa).\r\n\r\nSanggeus nikah jeung teu boga anak. Henteu ogé. Mimitian diajar nahan sabab teuing depresi. Sabab salaku ibu rumah tangga kamungkinan kuring maot dina mangsa musibah kacida luhurna.\r\n\r\nnaha? sabab bapa keur mikiran pamajikan jeung anak. Upami anjeun cicing di hotél anu aya gempa, anjeun parantos kaluar ti hotél, anjeun pasti bakal uih deui pikeun mastikeun pamajikan sareng murangkalih anjeun ogé aman. Kitu deui ibu-ibu.\r\n\r\nKu kituna lamun maca warta, urang mindeng maca yén barudak yatim mangsa musibah alatan kolotna maot. Contona, mangsa tsunami Banten kamari. Indung jeung bapana kabur ti tsunami tapi malah terjun deui neangan budakna. Sanaos budakna salamet (tapi disalametkeun ku kulawarga sanés)", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8105", "text": "Yati teh boga budak nu karak nincak kelas dua SD. Budak Yati ieu teh resep pisan ngagambar. Ampir unggal poe budakna ngagambar nanging kusabab mineng ngagambar diimah Yati pinuh ku kertas hasil gagambaran budakna. Kusabab pusing meresanna Yati kapikiran mangmeulikeu gadget nu tiasa dianggo ngagambar ku budakna. Saatos neangan info laptop nu cocok diinternet, Yati janten meuli laptop Asus Zenbook 14 Flip. Sanajan pangaosna rada awis nanging manfaatna saluyu sareng pangaosna. Laptop ieu tiasa dipake ngagambar kusabab laptop ieu tiasa touchscreen teras dijadikeun tablet. Salian eta laptop ieu ge spekna lumayan hade janten tiasa dianggo pikeun Yati gagawe, sapertos ngolah data.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8631", "text": "Jaman baheula, aya hiji pasangan nikah anu geus 10 taun nikah. Aranjeunna gaduh dua murangkalih sareng hirup bagja babarengan di hiji bumi leutik di pinggiran kota. Unggal isuk, salaki sok masak sarapan keur kulawargana bari pamajikan nyiapkeun budakna keur sakola. Saparantos sasarap, salaki angkat ka padamelan sedengkeun istri ngaberéskeun padamelan rumah tangga teras angkat ka kantor. Sanggeus balik ti pagawean, duanana silih tukeur carita ngeunaan poe maranehanana sarta bersantai ku nonton acara TV babarengan. Aranjeunna oge resep nyeepkeun waktos sareng kulawarga sareng babaturan caket. Sanaos henteu salawasna lancar, hirup sareng pasangan ieu salawasna pinuh ku kanyaah, dukungan, sareng pangertian pikeun anu sanes. Duanana terang yen babarengan sareng damel babarengan mangrupikeun konci pikeun ngajaga hubungan anu harmonis sareng bahagia.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7932", "text": "Abdi janten sobat sareng rerencangan abdi tos ti SMP. Lamun dietang-etang eta teh tos hampir sapuluh taun, teu karasa urang geus janten babaturan anu dekeut salila eta. Urang memang teu patepang unggal poe, tapi urang teu pernah ereun silih ngadu'akeun jeung silih ngadukung. Basa di sakola baheula abdi lamun ka mamana pasti jeung anjeunna. Pokona lamun aya manehna abdi moal hariwang lantaran pasti bakal rame. Abdi sareng anjeunna tos janten sobat tapi oge tos nyanghareupan seeur pisan masalah duaan, tapi eta teu ngereunkeun hubungan urang salaku rerencangan. Abdi apal sadaya masalah anu nuju manehna sanghareupan sabab manehna teu pernah ereun carita ka urang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7372", "text": "Upama dipigawe sacara rutin, kagiatan leumpang bisa mere loba mangpaat pikeun kasehatan awak. Leumpang mangrupikeun olah raga anu gampang sareng murah dilakukeun. Mangpaat leumpang teu bisa diragukeun. Ngutip tina halaman web Better Health, leumpang tiasa ningkatkeun kabugaran kardiovaskular sareng paru-paru sareng ngirangan resiko panyakit jantung sareng stroke. Sajaba ti eta, leumpang oge bisa ngendalikeun atawa ngurangan resiko darah tinggi/hipertensi, kolesterol, nyeri sendi jeung diabetes. Leumpang mantuan nyegah panyakit jantung ku nurunkeun tekanan getih sarta kadar kolesterol sarta ngalancarkeun sirkulasi getih. Leumpang oge tiasa ningkatkeun jumlah oksigen dina sirkulasi getih sareng ngabantosan ngalatih paru-paru, sabab ku napas langkung jero sareng langkung sae, panyakit paru-paru oge tiasa diubaran.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1159", "text": "Anyaran gawe di kantor pastina rada canggung lantaran can biasa jeung acan mibogaan babaturan. Tapi pastina urang kudu daek adaptasi di lingkungan anyar, ieu bakal ngalancarkeun pagawean. Aya cara-carana ngameh bisa adaptasi di kantor anyar. Nu kahiji kudu boga sikep anu ramah jeung sopan. Ulah poho jang ngagunakeun kecap punten, hatur nuhun, jeung hampura. Nu kadua kudu rajin nyatet, ngarah mun narima penjelasan ti atasan, urang teu perlu menta instruksi ulang. Nu katilu pastina kudu loba sosialisasi, waktuna bisa pas keur jam dahar beurang atawa keur istirahat, bisa oge pas saacan gawe atawa pas balik ngantor. Ku loba babaturan pastina bakal leuwih nyaman.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8020", "text": "Poe Sabtu kamari, Asep jalan-jalan sareng kulawargi na. Aya indungna, rakana, sareng raina. Bapakna teu tiasa ngiring kusabab nuju damel. Tempat nu dituju ku Asep sareng kulawargi nyaeta Nagrak. Di Nagrak aya salah sahiji tempat nongkrong nu ceuk batur alus pisan tur cocog jeung ngariung. Tos nepi ka tempat nu disebat saleresna alus dekorasina ala-ala meksiko kitu, nanging patuangeunna kirang raos teu saluyu sareng pangaosna. Asep sareng kulawargi rada kuciwa kusabab teu luyu jeung nu diharapkeun. Kusabab eta Asep sareng kulawargi teu lila-lila cicing di eta tempat, saeunggeus patuangeunna seep langsung dongkap ka tempat nu sejen. Kurang rekomendasi mun dongkap ka ieu tempat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1606", "text": "Melak tangkal mangrupakeun hiji kagiatan dina ngolah lahan jeung melak siki-sikian atawa tutuwuhan. Melak tangkal biasana dilakukeun di kebon atawa di huma ku para patani. Teu ngan patani hungkul, loba oge masarakat nu hayang melak tangkal tutuwuhan di sabudureun lingkunganna jang nambahan estetika jeung oge kaendahan lingkungan nu aya di sabudureun. Tapi sakapeung mah masalahna teh nyaeta teu boga lahan nu cukup lega jang dipelak tutuwuhan. Komo deui cicing di komplek anu lahanna teh ngan sakitu-kituna. Tapi teu kudu pusing, urang bisa melak tangkal dina pot, teu kudu dina laha anu lega. Dina pot oge urang bisa melak rupa-rupa tutuwuhan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4106", "text": "Kangjeng Nabi Muhammad saw mangrupikeun panutup risalah para nabi sareng rosul. Teu aya deui nabi saatosna. Allah ngadawuh, \"Muhammad teh lain bapa ti hiji jalma diantara aranjeun, tapi manéhna téh utusan Allah jeung cap para nabi. Jeung Allah Maha Uninga kana sagala perkara.” (QS. Al Ahzab: 40). Kitab anu diturunkeun ka anjeunna, Al-Qur'an, mangrupikeun justifikasi sareng pelengkap tina kitab-kitab sateuacana. Allah ngadawuh, \"Jeung Kami geus nurunkeun ka anjeun Al Qur'an kalawan haq, negeskeun naon anu saméméhna, nya éta kitab-kitab (anu diturunkeun saméméhna) jeung batu touch tina kitab-kitab lianna. maka putuskeun perkara maranéh nurutkeun naon nu diturunkeun ku Alloh (QS. Al Maidah: 48).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4934", "text": "Ayeuna mah bahan-bahan pasakan teh loba pisan dina wadah instan. Mantak babari kanu rek masak, malahan nu teu bisa masak oge kari aya kadaekna. Poe kamari kuring nyieun camilan goreng basreng. Kuring meuli basreng na ti pasar, teu hilap oge jeung bumbu taburna nyaeta atom jeung aida. Isuk-isuk kuring ka pasar jeung meuli basreng na bari meuli sayuran jang setok di imah. Beres ti pasar, kuring tuluy ngeureutan eta basreng ngabentuk jiga korek. Tas eta tuluy digoreng na minya panas, tuluy dijait jeung dibere bumbu tabur. Saasakna basreng, kuring langsung nuang make bumbu atom jeung aida. Ah rasa na ngeunah pisan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1171", "text": "Nepikeun ka ayeuna jasa ngajait masih dibutuhkeun ku masarakat jeung permintaanna tinggi. Ieu bisa ku urang gunakeun salaku dasar jang muka usaha ngajait di imah. Muka bisnis ngajait bisa ku urang lakukeun di imah, kauntunganana nyaeta urang teu kudu ngaluarkeun duit jang nyewa tempat nu pastina mahal, tapi kudu dipastikeun imah urang cukup lega jang lokasi jasa ngajait. Naha bet jasa ngajait? Tangtuna dasarna lantaran sandang mangrupakeun salah sahiji kabutuhan primer jelema. Saumur hirupna jelema bakal ngabutuhkeun pakean. Ku sabab kitu, usaha ieu mangrupakeun salah sahiji jasa nu teu pareumeun obor. Asalkeun urang bisa update ngeunaan tren fashion nu anyar jeung ngajaga kualitas produk.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "858", "text": "Arsenal saenggeus kamari eleh ngalawan Spurs, ayeuna panggih jeung Newcastle. Di 8 pertandingan saacanna Arsenal teu pernah eleh, pas di pertandingan ka-9 di mana Arsenal nu kuduna meunang, nyatana eleh 2-0. Newcastle neken pamaen 5 nepikeun 6 pamaen, jeung mun maranehna nyepengan bola, mindengna teh maen bola panjang. Arsenal pas keur diteken, maranehna kawalahan anu ujung-ujungna teh maen bola panjang oge, jeung praktis kabeh bola panjang di hareup teh eleh. Lamun mere bola panjang, maranehna pan high defence, bere bola panjang di tukangna ngameh lumpat. Mun Arsenal masih kawalahan di babak kahiji make sistem ieu, di babak kadua kuduna bisa robah.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6756", "text": "Delman mangrupakeun jenis kendaraan roda dua anu kasohor di India. Delman nyaeta kandaraan anu dipake pikeun ngangkut palanggan ti hiji tempat ka tempat anu sanes. Anu ngabedakeun delman jeung kendaraan anu sanesna, delman gaduh hateup anu tiasa dibuka jeung ditutup, janten panumpang tiasa ngarasakeun pamandangan sakurilingna. Delman oge dilengkepan ku korsi anu nyaman, sangkan para panumpang bisa ngarasakeun nyaman salila numpak delman. Delmans bisa kapanggih di India, umumna di kota badag. Kendaraan ieu oge sering dianggo pikeun acara khusus sareng kawinan. Delman nganggo tanaga kuda sangkan tiasa maju. Di Indonesia delman janten kandaraan anu biasa dipake ku keraton, hususna di Jawa.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5050", "text": "Ayeuna urang bahas tips jitu sarapan wareg di hotel. Nu kahiji nyaeta samemeh nyandak emameun, survey heula ngurilingan tempat makanna. Tuluy tos kitu nging waka kanu makanan berat, tapi nu ringan heula jiga salad atawa bungbuahan. Tah tos makan nu ringan, ayeuna tinggal cobian hiji-hiji masakan nu disayogikeun tos asak. Nyiuk na tong seueur teuing, saalit-saalit wwe asal kacobian sadayana. Tah terus tong hilap nyobian tuangeun nu dimasak langsung ki chefna, biasana aya dina sasaungan leutik. Tah nu terakhir nyaeta nyandak dessert atawa makanan penutup jiga es krim, pudding, kue tradisional, jeung sajabana. Sarua deuih ngedukna tong ageung teuing supaya sadayana bisa kacobian. Tah mun tos dicobian sadayana, kantun eueut cai herang atanapi cai jus nu disadiakeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4179", "text": "Indonesia boga loba pisan suku nu masih keneh ngamumule acara adat istiadatna. Siga babaturan urang anu karek kamari nikah, maneh na nikah make adat sunda nyaeta make acara upacara meuleum harupat jeung nijek endog. Prosesi nikahan adat sunda eta di mimitian ku acara meuleum harupat upacara ieu ngalambangkeun harepan panganten salawasna akur dina kahirupan kulawarga, jauh tina ambek-ambekan. Harupat nyaéta iteuk daun lontar anu diduruk ku panganten pikeun ngaleungitkeun masalah dina kahirupan urang tuluy ges acara akad aya acara nijek endog sebage wujud kamampuan panganten lalaki pikeun jadi kapala kulawarga anu hadé tur tanggung jawab, sedengkeun pangantén awéwé némbongkeun rasa bakti ka salakina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5841", "text": "Tilu daftar laptop Lenovo harga lima jutaan nu alus spesifikasina. Nu kahiji nyaeta Lenovo V15-ADA. Laptop ieu dibekelan layar salebar 14 inci. RAM na 4 GB nu didukung ku penyimpanan internal 256 GB. Prosessorna geus make AMD ryzen 3 3250U. Nu kadua nyaeta Lenovo V15 Athlon Gold 3150. Laptop ieu geus ngusung layar 15.6 inci. Prosessor nu digunakeun nyaeta AMD Athlon Gold 3150. RAM na 4 GB nu didukung ku penyimpanan intern 1 TB. Nu katilu nyata Lenovo V15 Intelcore i3. Laptop ieu ngagaduhan layar 14 inci. Prosessor na geus make Intel core i3. RAM na 4 GB nu didukung ku 1 TB penyimpanan internal. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3966", "text": "Calathea Homestay sareng panginepan anu aya di wewengkon kota Yogya sareng caket sareng karaton Yogya. Jarak calathea homestay kurang leuwih 1,1 km ti keraton yogyakarta. Calathea Homestay perenahna rada asup ka gang. Wangunan ieu ngagaduhan 2 lanté kalayan 5 kamar tidur sareng 6 kamar mandi. Di handap aya 3 kamar tidur, dapur dibagikeun, tempat parkir motor sareng area komunal. Kabéh kamar anu dilengkepan TV, kipas, eunteung jeung kamar mandi pribadi. 3 kamar tidur ieu ngagaduhan ukuran anu ageung supados tiasa dianggo pikeun 2-5 jalma kalayan ranjang tambahan. Beda jeung kamar handap. Pangkeng di luhur henteu ageung pisan. Maksimum ngan bisa pikeun 3 jalma. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8283", "text": "Ieu mangrupikeun sababaraha cara anu paling gampang anjeun tiasa nyobian ngalamar pikeun muka bisnis anjeun ti bumi. Lengkah munggaran anu kedah diperhatoskeun sateuacan ngamimitian usaha anjeun nyalira nyaeta rencana bisnis sareng ngadamelna sae-gancang. Biasana, rencana bisnis ieu ngandung sagala hal anu aya hubunganana sareng visi sareng misi anu bade dihontal tina usaha anu dilaksanakeun. Saha wae anu rék muka usaha sorangan, tangtu kudu nyiapkeun sajumlah dana husus anu bakal dijadikeun modal awal usaha. Sanaos henteu ageung pisan, biasana modal ieu ngan ukur tiasa dipikanyaho saatos rencana bisnis rengse. Lamun memang modal anu diperlukeun teu cukup, aya solusi sejen anu bisa dicokot. Sapertos milarian dukungan ti investor atanapi sumber modal sanés ku milarian pinjaman modal di bank. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9400", "text": "Ngopi jadi salah sahiji kabiasaan anu rutin dilakonan. Nganjangan tempat ngopi unggal isuk-isuk geus tangtu jadi kabiasaan nu teu bisa kaliwat. Aya salah sahiji tempat ngopi nu miboga interior nu estetik tur ngeunah kopina, nyaeta Dreezel di jalan Tubagus Ismail, Bandung. Ti mimiti asup, urang bakal disampakeun hiji bar tempat mesen kopi nu dipikahayang. Loba rupa olahan kopi di dieu. Aya manual brew, aya oge cappucino, latte, mocktail jeung sajabana. Salian ti kopi, Dreezel oge nyadiakeun sababaraha rupa kadaharan siga roti croissant, donat, jeung sajabana nu bisa dipesen jadi layanna kopi. Di dieu oge aya sababarah meja jeung tempat diuk di taman nu lega. Di dinya, urang bisa ngopi sabari niis kusabab tatangkalanna rimbun nu matak nyieun iuh. Hargana oge kaasup murah. Sacangkir cappucino dibandrol dua puluh dua rebu rupiah. Soal rasa geus teu kudu ditanya. Kopi di Dreezel kajaga kualiatasna kusabab manehna miboga mesin pemanggang kopi sorangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5485", "text": "Kamari abdi sareng babaturan nonton pagelaran seni Jaipong nu diayakeun di Alun-Alun Subang. Pagelaran ieu teh diayakeun dina raraga milangkala Kabupaten Subang nu ka 73. Digelarna teh di Alun-Alun poe Minggu pisan, jadi kabeh masyarakat bisa nonton jeung memeriahkeun. Abdi indit ti imah isuk-isuk supaya bisa meunang tempat nonton na nu geunaheun. Pentasna meuni meriah, aya sambutan oge ti pak Bupati. Ieu jadi pagelaran nu meriah nu berhasil dilaksanakeun tina dua taun terakhir. Peserta nu tampil tari Jaipong teh ti berbagai komunitas seni tai nu aya di kabupaten Subang. Beres acara Jaipongan na mah abdi langsung uih we da bisi macet.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7181", "text": "Gong, anu katelah oge ku istilah Kromong (Sangga) nyaeta ngaran pakakas musik tradisional di Kalimantan Barat anu bisa dipake dina kagiatan sapopoe dina kasenian atawa bisa oge dipake dina upacara adat. Alat musik gong ieu dijieun tina bijih beusi. Gong lain ngan saukur dianggap alat musik wungkul, tapi oge mangrupa barang anu boga ajen kaagamaan. Ieu bisa dibuktikeun tina fungsi gong sorangan anu mineng dipake salaku sarat utama dina nikah adat, mayar adat, upacara kanggo nu maot jeung saterusna. Disagigireun ti eta, gong oge dipake minangka hiburan musik dina pesta-pesta adat, sapertos gawai (pesta panen), ngabageakeun semah jeung tarian pangiring.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1944", "text": "Gunung Ijen di Banyuwangi Jawa Timur loba didatangan ku wisatawan, kaasup ti mancanagara. Salian ti pintonan anu spektakuler, atraksi séjén Kawah Ijen nyaéta seuneu biru langka. Seuneu biru ngaduruk dina kawah di puncak Gunung Ijen. Pikeun ngahontal puncak, anjeun kedah leumpang 3 kilométer salami 2 dugi ka 3 jam. Sanaos jalur pendakian anu rada hese, sadayana bakal kabayar ku kaéndahan alam anu anjeun tiasa nikmati dina jangkungna 2.386 méter di luhur permukaan laut. Kawah Ijen ngabogaan warna héjo Tosca anu éndah tur menawan. Warna kawah ieu ogé mangrupa salah sahiji daya tarik pikeun wisatawan pikeun ngarebut momen. Nganjang ka Gunung Ijen, pasti anu dipilarian wisatawan nyaéta ningali fenomena blue fire. Fenomena langka ieu asalna tina gas sulfur tekanan tinggi anu némbak tina celah-celah batu anu suhuna ngahontal 600 darajat Celsius. Sedengkeun warna biru dihasilkeun tina rapatna gas walirang jeung hawa sabudeureunana. kaasup seuneu biru di Kawah Ijen. Sabab ngan aya dua fenomena langka di dunya, nyaeta Indonesia jeung Indonesia\nIslandia.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3580", "text": "Kuring teu apal ayeuna teh hayang ngajalin jeung babaturan teh kumaha. saprakpak kuring nutup diri ti babaturan, kuring sok ngajauhan ti jelema anu ceuk kuring mah eweh pentingna jeung kuring, Aya rarasaan anu kasieun, sapertos sieun dijauhan, sieun dimanpaatkeun hungkul, jeung sajabana. Kajadian baheula, kuring pernah boga babaturan anu sok babarengan, ngan beuki dieu teh babaturan teh asa eweh manpaatna jeung urang, nu mana sok ngajak ka tempat jauh, sok boros, jeung aya hiji hal anu ngakuciwakeun, nyaeta manehna jadi babaturan kuring teh meh bisa niron hungkul. Tidinya kuring ngarasa eweh babaturan anu bener-bener nyobat pisan, kabeh ge ngan saukur ngamanpaatkeun hungkul.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7184", "text": "Tari Saman janten salah sahiji media anu dipake pikeun nepikeun da’wah jeung nasihat. Tari ieu sorangan ngagambarkeun kaagamaan, tata krama, atikan, kakompakan, kapahlawanan, jeung kebersamaan. Tari Saman nyaeta tarian anu asalna ti suku Gayo sarta biasana dipentaskeun dina hajatan penting dina acara adat. Lirik-lirik dina ieu tari oge ngagunakeun basa Gayo. Salian ti eta, tari ieu oge mineeng dipentaskeun nalika mieling Maulid Nabi Muhammad SAW. Sababaraha literatur nyebutkeun yen Syekh Saman, saurang ulama ti suku Gayo di Aceh Tenggara, manggihan jeung ngadegkeun tari Saman nepi ka ahirna ditetepkeun ku UNESCO minangka Representative List of Intangible Culture di 24 Nopémber 2011.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3914", "text": "Aya loba pisan jenis kompor jaman ayeuna jinis kompor, tapi sigana ayeuna anu paling cocog nyaéta ngagunakeun kompor gas, baheula urang ngasakan dahareun make hawu nu bahan bakarna kai jadi mun rek masak kudu neangan kai heula, makin kadieu loba jelema nu ngagunakeun kompor minyak tanah, kompor ieu leuwih praktis mun di bandingkeun jeung hawu tapi lila kalilan harga minyak tanah mahal terus parindah make kompor gas, nepi ka ayeuna mun di bandingkeun emang kopor gas masih nu leuwih alus, praktis jeung irit boh dina waktu jeung bahan bakarna. Harga kompor gas oge masih kaitung murah jeungbisa di pake dina jangka waktu anu panjang. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4249", "text": "Minggu kamari urang jeung babaturan ulin ka monas di jakarta, teu di sangka di monas na keur aya acara rame pisan loba stan stan dahareun tradisional nepuka dahareun dahareu atawa jajanan anu viral. Didinya ge di suguhkeun tarian khas betawi nyaeta tari yapong. Eta pertama kali na urang jeung babaturan nyaksian langsug tari yapong teh. Tari yapong teh gerakanna lincah terus di iringan ku lagu nu di nyanyikeun ku penyanyi \"ya ya ya\" tuluy di iringan ku musik anu has nu sada na siga \"pong pong pong\". Mereun eta bisa jadi asal kunaon tari ieu di ngaranan tari yapong, selain nyaho gerakan na urang jadi nyaho asal muasal ngaran na tari ieu. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7106", "text": "Tempat ibadah agama Hindu katelah ku pura. Di Indonesia, Bali dipikawanoh minangka wewengkon anu loba pura sarta mayoritas pendudukna Hindu. Unggal kulawarga Hindu boga pura kulawarga pikeun nyembah Hyang Widhi jeung karuhun. Pura ieu oge beuki rame ku semah samemeh perayaan Poe Nyepi. Numutkeun situs Candi Perpustakaan Nasional Indonesia, unggal desa di umumna aya tilu pura utama anu disebut Pura Tiga Kahyangan atawa Pura Tri Kahyangan (tri = tilu), anu bobodoan jadi tempat pamujaan Sang Hyang Widi Wasa. Salian ti Pura Kahyangan Desa, aya oge anu katelah Pura Kahyangan Jagat. Candi Kahyangan dipake pikeun muja Ida Sang Hyang Widi Wasa jeung arwah para karuhun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3935", "text": "Liburan sakola kamari dulur urang nu ti bekasi datang rek liburan di purwakarta, dulur urang nyaeta guru, guru nu ngajar di sakolah negeri di bekasi jadi bisa libur mun libur sakola. Poe minggu na urang langsung ngajakan jalan jalan ka Jatilhur, urang naek motor ka jatilihur 2 motor boncengan, Perjalanan ka jatiluhur lumayan jauh ti cibatu bisa sa jam leuwih jaba pas nepi jeung meuli tiket antri. Jatilihur rame mun usum Liburan. loba nu rek jalan jalan ka jatilihur, di pintu asup urang ningali loba kendaraan ti mobil pribadi nepi ka aya nu nek mobil bak. Loba oge nu daratang ti luar kota kabeh rek jalan jalan jeung liburan di jatiluhur.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "75", "text": "Alat nu serbaguna sakaligus murah jeung bisa dibabawa nyaeta panci elektrik. Panci elektrik bisa dipake sagala rupa, jang masak, ngahaneutkeun, jeung ngagodog oge bisa. Tapi aya sababaraha kakurangan anu aya di panci elektrik. Panci ieu bisa dibawa kamana wae tapi kudu aya listrik jang nyolokeunna. Tuluy listrik anu dipakena oge gede, umumna 400 watt. Jadi lamun imah atawa tempat nu wattna saeutik mah sok pareum da teu kuateun. Tuluy masakan anu dipasak ge sakapeung sok bau beusi tina bahan panci elektrikna. Jadina sok teu ngeunah. Jeung deuih teu bisa nagen ditinggalkeun, teu kawas mejikom. Panci elektrik lamun geus beres dipake kudu buru-buru dicabut deui. Lamun nyolokeun kana listrik oge sok aya percikap listrik, jadi sok sieun kasetrum.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "531", "text": "Aya carita sireum jeung japati. Baheula aya sireum nu labuh kana cari pas keur nginum di sisi walungan. Tuluy aya manuk merpati nu bageur nulungan ku cara nyodorkeun daun jang cecepengan kanggo sireum. Daun eta ku si merpati ditarik nepikeun ka sisi walungan ngarah sireum bia naek ka luhur. Saenggeus kitu sireum ngucapkeun hatur nuhun, dua-duana ngalanjutkeun perjalanan sewang-sewangan. Sababaraha poe kahareupna, sireum ninggali hiji tukang moro nu keur ngincer manuk merpati nu pernah nyalametkeun sireum pas tina cai. Tuluy sireum nyobaan ngegel suku si tukang moro eta jeung ngingetan manuk merpati eta ngeunaan bahaya eta salaku bentuk bales budi si sireum ka si manuk merpati.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "405", "text": "Sholawat ka Nabi Muhammad mangrupakeun salah sahiji amalan nu dianjurkeun pisan dina Islam. Bisa dilakukeun saberes sholat atawa dina waktu-waktu tertentu siga geus sholat subuh. Sabab sholawat ka Nabi mangrupakeun wasilah ampunan ti Allah SWT jeung kakabulna doa. Sakumaha Rosul pernah ngajelaskeun dina hadis lamun tiap jelema nu sholawat ka mantenna bakal dihampura sapuluh dosa jeung diangkat saloba 10 kali derajat. Sholawat oge jang kaum muslim berekeun ka mantenna lain ngan saukur Rosul hungkul tapi bakal balik deui ka jelema nu sok sholawat. Sabab Rosululloh teh mangrupakeun kakasih Allah nu makshum jadina sholawat eta ngan hanya bentuk rohmat ka umatna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1865", "text": "Yayan leuwih resep dahar jajan tibatan sayur jeung buah, ngadadak pingsan sabab beuteungna karasa nyeri. Sanggeus ditalungtik, tétéla yayan téh inggét pentingna dahar diet saimbang. Carita yayan ngenaan kadaharan kudu nu sehat, murangkalih diajarkeun ngeunaan akibat anu henteu pikaresepeun tina henteu resep tuangeun tuangeun anu séhat sareng kumaha tuangeun anu séhat tiasa ngarobih kaayaan fisik sareng spiritual anu langkung saé. kurang gizi alatan teu hayang dahar gizi saimbang. Kolot jeung guru-guru yayan di sakola ogé nyieun trik sangkan yayan ngadahar sayuran jeung kadaharan saimbang séjénna. pentingna dahar diet saimbang. Kumargi kitu murangkalih diajarkeun ngeunaan akibat anu henteu pikaresepeun tina henteu resep tuangeun-tuangeun anu séhat sareng kumaha tuangeun anu séhat tiasa ngarobih kaayaan fisik sareng spiritual anu langkung saé.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5015", "text": "Biasana kuring mun beres lebaran sok jalan-jalan jeung kulawarga ka Pantai Pangandaran. Kuring sakulawarga sok ngahaja indot make motor supaya bisa nerobos macet jeung supaya didituna bisa bebas kaditu-kadieu. Mun tos lebaran mah di Pantai Pangandaran teh sok pinuh pisan ku pengunjung. Kaayaan pantaina sok tara kaciri pasir, bakat teuing ku pinuh ku jelama nu mantai. Malah kuring pernah teu kabagean penginapan sabab geus pinuh kabeh. Tapi teu nanaon, kuring sakulawarga nu penting bisa mantai ka Pangandaran. Mun ngebak isuk-isuk ge angger loba jelema, da aralim kapanasan meureunan. Biasana mun pinuh kitu, kuring mah sok meuntas ka pasir putih. Didinya mah rada aya tempat kosong jang menikmati endahna pamandangan pantai jeung laut.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6734", "text": "Urang Bandung pasti pernah ka Kiara Artha Park. Teu heran sabab tempat nu aya di Kiara Condong ieu cocok pisan kanggo jalan-jalan santai sareng kulawargi. Di dieu aya wahana trampolin, jeung sajabana. Aya oge Taman Korea, urang tiasa ngarasakeun suasana taman kawas di Korea Selatan. Urang tiasa mapah sante sabari ngahirup angin seger atawa nyewa sapedah. Di dieu oge aya restoran sapertos Mekdi. Lamun datang kadieu di dinten Sabtu jeung Minggu urang bakal nigal seeur pisan tukang jualan di sisi area tempat ieu. Komo mun datang wengi, biasana aya pertunjukkan cai mancur warna-warni. Tempat ieu oge biasana janten tempat acara-acara gede, sapertos konser.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7619", "text": "Jalmi anu ngalakukeun usaha disebut pangusaha. Manehna kedah tanggung jawab dina sagala proses persiapan jeung ngalakukeun kabeh proses bisnis, mulai ti meser barang nepikeun ngaical barang eta. Matak pangusaha mah kedah boga elmu jeung kedah tiasa maca kondisi pasar supados teu salah milih barang anu bakal diical. Tujuanna nyeta supados meunang untung anu leuwih gede tipada barang anu tos aya. Aya sababaraha harti wirausaha numutkeun para ahli. Anu kahiji numutkeun ka Richard Cantillon (1775) anu nyebutkeun yen wirausaha teh nyaeta saurang pangusaha anu meser barang ayeuna ku harga anu geus pasti, tuluy ngaical deui barang eta ku harga enu teu pasti. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9489", "text": "Di umur 27 tahun ieu, loba kasibukan anu meakeun waktu sapopoe Danis. Nanging, aya hiji kabiasaan anu teu pernah leungit di waktu-waktu lowong manehna sapopoe, nyaeta maca buku. Maca buku jadi kabiasaan tileuleutik Danis. Dina sapoe, Danis ngalowongkeun waktu 3 jam jang maca buku. Naon wae buku dibaca. Novel, kumpulan carpon, artikel jeung sajabana. Paling resep Danis maca novel karangan penulis Jepang, Haruki Murakami. Manehna ngarasa, tulisan-tulisan Haruki Murakami endah jeung mawa katenangan. Beda jeung penulis-penulis lain anu rumit, Haruki Murakami bisa nyaritakeun topik anu beurat jadi carita anu simpel. Utamana, novel Norwegian Wood nu jadi favorit Danis. Nepika ayeuna, manehna masih keneh maca eta novel padahal geus apal caritana. Tatapina, Danis ngarasa unggal beres maca carita eta manehna ngarasa kahibur.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7063", "text": "Sasih Muharam nyaeta salah sahiji sasih suci anu dianggap sakral ku sadaya umat Islam. Dina sasih ieu umat Islam dititah ningkatkeun ibadah supados langkung caket ka Allah SWT. Di jaman Nabi, nalika asup kana bulan Muharam, umat Islam dilarang ngalanggar syariat atawa ngalakukeun tindakan anu ngakibatkeun dosa. Bulan ieu oge dipikawanoh pisan pikeun rupa-rupa kautamaan na. Kautamaan Sasih Muharram anu kahiji, nyaeta dosa jeung pahala bakal dihitung dua kali leuwih loba ku Alloh, janten urang kudu ati-ati. Anu kadua nyaeta sasih Muharram kaasup hiji ti opat sasih anu diutamakeun di Islam. Tilu sasih anu sanesna nyaeta Dzulhijjah, Rajab, jeung lDzulqa'dah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1160", "text": "Ngeunahna gawe di kantor teh urang dibere fasilitas anu memadai jang ngadukung potensi urang. Oge di kantor sabab orang-orangna rajin jeung gercep sok jadi kabawakeun urang oge anu biasana lelet. Mun gajih mah geus pasti bakal tetep moal ngurangan, nu aya oge naek sanajan naekna teu signifikan teuing. Komo deui mun akhir taun atawa pas lebaran sok meunang bonus. Gawe di kantor oge geus disadiakeun dahareun atawa cemilan jang didahar, jadi urang teu kudu meuli, bisa leuwih ngahemat. Jeung ngeunahna bisa panggih jeung babaturan anu ti luar daerah, bisa apal karakteristikna. Urang oge jadi bisa mibogaan loba koneksi boh ka babaturan atawa ka atasan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9495", "text": "Nulis sajak mangrupa kagiatan anu ngamungkinkeun hiji jalma ngebrehkeun pikiran jeung perasaan ku cara nu leuwih kreatif jeung artistik. Nulis sajak bisa jadi kagiatan anu mangpaat keur ngeusi waktu luang. Ieu lengkah-lengkah anu bisa dilaksanakeun dina nulis sajak. Kahiji, pilih tema atawa topik nu rek ditulis. Tema atawa jejer teh bisa naon waé, tina rasa, pangalaman, atawa tempat. Kadua, tangtukeun jenis sajak nu rek dijieun. Aya rupa-rupa jenis puisi, saperti puisi bebas, puisi kuno, soneta, gurindam, jeung sajabana. Pilih jenis sajak nu luyu jeung téma atawa jejer nu rek ditulis. Katilu, nangtukeun jumlah baris jeung jumlah kecap dina unggal baris. Sababaraha jenis puisi mibanda aturan husus ngeunaan jumlah larik jeung jumlah kecap dina unggal padalisan. Kaopat, nulis sajak ngagunakeun basa nu endah tur nyentug kana manah. Gunakeun kecap-kecap sareng kalimah anu ngalir kalayan sae. Kalima, ngedit jeung ngarevisi puisi anu geus ditulis. Pariksa deui sakabeh sajak pikeun mastikeun aliran jelas tur basa nu merenah. Terakhir, anjeun tiasa nyebarkeun atanapi ngabagi sajak anu parantos didamel. Anjeun tiasa ngabagi sajak sareng rerencangan atanapi kulawarga, bisa oge nyebarkeun eta sajak dina internet.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "193", "text": "Salian ti hobi olahraga, urang oge hobi dahar jeung nongkrong. Lamun dahar urang resep ka mie bakso. Lamun nongkrong urang sok neangan cafe nu keur hits. Biasana urang neangan mie bakso anu mie na teh laleutik, jeung kuahna medok, tuluy baso na teh nu laleutik lain nu garede siga baso urat atau cincang. Urang dahar mie bakso rada mindeng, bisa kana sapoe sakali ku bakat resepna dahar mie bakso. Komo lamun keur teu nafsu kana sangu. Tuluy urang resep nongkrong teh biasana lamun keur aya gawean, kadang mun gawe di imah mah sok jenuh, jadi sok ngahajakeun neangan cafe meh aya suasana anyar. Menu nu di pesen kopi Americano, jeung dahareunna paling cireng atawa kentang, anu harampang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1185", "text": "Jualan di Instagram oge ayeuna mah babari. Sanajan Instagram sok dipake mosting foto-foto nu aestetik, tapi loba oge jelema nu neangan produk nu rek dibeulina di Instagram. Sabab foto atawa video leuwih jelas bisa ditinggalian tiap katalogna. Urang oge salaku penjual bisa ngatur jangkauanna, mun jangkauanna hayang luas jeung dikenal batur biasana sok dilakukeun promosi, promosi ieu tangtuna urang kudu ngaluarkeun duit ku cara mayar ka pihak Instagramna. Tapi biasana duit nu dikaluarkeun teh balik deui lantaran jadi loba penjualan. Nu penting mah foto atawa video nu ditampilkeun teh menarik, jeung batur hayang ngaklik akun urang. Mun geus ngaklik kitu, biasana sok ninggali produk-produk nu sejen oge.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6701", "text": "Lamun di Amerika aya nu namina salad, urang Sunda oge gaduh anu namina lotek. Lotek dijieun ti rupi-rupi sayuran, aya toge; waluh; kacang panjang; engkol anu dibanjur ku bumbu kacang jeung dipurulukan bawang goreng. Aya dua macem lotek nyaeta lotek atah jeung lotek asak. Bumbu lotek dijieun ti suuk goreng jeung hui sakedik teras direndos jeung dicaian sakedik. Emam lotek sehat jeung pasti wareg sabab aya kacang jeung waluh, tapi lamun can wareg oge bisa ditambihan lontong atawa disanguan, tong hilap ngangge kurupuk. Kadang-kadang aya oge anu sok nambihan tahu goreng atawa tempe goreng anu dipotong laleutik kotak-kotak di lotek.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4590", "text": "Laptop mimitina sacara signifikan langkung laun tibatan komputer desktop. tapi kamajuan dina téhnologi manufaktur geus diwenangkeun laptop pikeun ngalakukeun ampir sarua jeung komputer desktop PC. Nyatana, laptop high-end sering langkung saé tibatan komputer desktop spésifikasi rendah. Kaseueuran laptop ogé kaasup kana sababaraha palabuhan I/O, sapertos port USB, anu ngamungkinkeun keyboard sareng mouse standar tiasa dipake jeung laptop. Laptop modern sering kalebet adaptor jaringan nirkabel, anu ngamungkinkeun para pangguna ngaksés Internét tanpa perlu kabel atawa anu biasa di sebut wireless. Laptop oge tutuluyan ngarubah jeung berkembang supaya bisa leuwih canggih deui, ayeuna geus loba di jieun laptop anu ukuran na leuwih leutik tapi fungsina sarua nu di sebut notebook.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7923", "text": "Abdi nembe sabulan cicing di kontrakkan anu anyar, masih keneh teu acan dekeut sareng tatanggi. Tapi poe ieu aya hiji kajadian anu ngajadikeun abdi kenal sareng manehna. Jadi abdi teh ngontrak di hiji kontrakan anu imah-imahna sabeulahan, di bagian luhur teh aya loteng kanggo moe acuk. Abdi kaasup anu mineng moe acuk di luhur. Asalna mah teu aya masalah, tapi sababaraha minggon ieu abdi karek nyadar yen acuk abdi teh aya nu leungit. Asalna mah anu leungit ngan kaos kaki hungkul, beuki lila tiung oge leungit, tuluy aya baju nu leungit. Masalahna eta teh baju anu alus keneh. Abdi bade naros ka tatanggi oge bingung naros ka saha, bisi janten masalah anu badang. Lantaran teu resep ka tatanggi anu sok maok acuk atur, abdi mutuskeun ngalih ka kontrakan anyar. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4489", "text": "Kevin Sanjaya Sukamuljo (lahir 2 Agustus 1995 nyaéta saurang pamaén badminton ganda campuran putra Indonésia. Atlét ieu mangrupa pamaén ti kleub Djarum di Kudus, Jawa Tengah sarta ngagabung ti taun 2007. Bareng jeung pamaén tim putra séjénna manéhna meunangkeun medali emas dina Asian Games 2015. Kevin ayeuna dipasangkeun sareng Marcus Fernaldi Gideon dina ganda putra. Ti 2017 dugi ka 2022, kacatet yén Kevin sareng Marcus rengking ka-1 di dunya pikeun waktos pangpanjangna dina séktor ganda lalaki. Anjeunna parantos kéngingkeun 36 gelar dina karir badmintonna kalebet janten juara ganda putra All England 2017 sareng 2018, sareng ogé Asian Games 2018. Kevin sareng Marcus ogé anggota Tim Nasional Badminton Indonésia anu janten juara Asian Games 2015 (SEA Games). ), Kejuaraan Tim Asia taun 2016, 2018, 2020, jeung Kejuaraan Piala Thomas anu jadi gelar kahiji Indonésia dina 19 taun ka tukang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7145", "text": "Jaman baheula di hiji kampung di Jawa Tengah, hirup hiji randa ngaranna Mbok Srini. Lantaran kasepian, manehna bener-bener ngarep-ngarep ayana budak, tapi hanjakal harepan eta musnah lantaran salakina geus pupus. Saban poe teu eureun-eureun Mbok Srini ngadoakeun sangkan manehna bisa dibere anak pikeun ngahariring hirupna. Dina hiji poe, buta hejo (buto ijo) nu kabeneran keur ngaliwat ngadenge doa Mbok Srini. Buto Ijo tiasa ngabulkeun pamenta Mbok Srini, manehna bakal masihan budak, tapi aya syaratna nyaeta lamun budakna geus genep teun, budak eta bakal dijemput deui ku Buto Ijo. Mbok Srini meunang biji bonteng kanggo dipelak, tina bonteng eta aya hiji orok anu bakal jadi putrana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "415", "text": "Salah sahiji hal anu penting nu bisa dilakukeun ngameh Islam tetep bertahan nepikeun ka akhir zaman teh nyaeta ku cara dakwah. Dakwah teh nyaeta hiji kata nu artina menyeru lain nitah. Pas ngalakukeun dakwah, henteu dianjurkeun pisan jang nyumputkeun hiji hal, sakabeh kabenaran kudu didugikeun, sanajan hal eta bisa wae dampakna goreng. Dina merhatikeun dakwah kudu merhatikeun loba aspek salah sahijina nyaeta jelema nu bakal urang bere dakwah. Sabab jelema nu bakal dibere nasehat atawa dibere dakwah teh nyaeta jelema-helema nu asalna ti rupa-rupa adat, budaya, suku, elmu jeung kasang tukang sosisal nu beda-beda. Hal ieu ge nu nyieun cara nyampaikeun dakwah jadi beda-beda.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2789", "text": "Sadayana di handapeun mangrupakeun HP hargi 10 juta nu geus kalebet lensa. Pribadi, abdi nganggo X100, nu boga dial manual pikeun speed jepret jeung aperture lénsa, tapi kaméra ieu teu bisa ngarobah lénsa, jadi meureun teu sadaya jelema bisa cocog eta Kalau untuk sekadar bikin foto bagus, kamera mirrorless/DSLR modern dari merk apapun pasti lebih bagus dari ponsel seri teratas mau itu Samsung Galaxy S, Huawei, atau iPhone terbaru sekalipun. Sensor besar enggak bohong, kok. Tapi tentu agar maksimal, setidaknya Anda harus belajar segitiga eksposur dan komposisi. Oh iya, plus pakai lensa bagus juga. Jangan lensa kit, dan kalau bisa jangan lensa zoom. Lensa fix dengan bukaan besar punya hasil memuaskan; kita jadi bisa memotret dalam kondisi pencahayaan kurang dan bonusnya bisa foto dengan latar belakang blur alias bokeh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5072", "text": "Kuring pernah liburan ka leuweung bari survey lokasi jang pendidikan. Kuring duaan jeung babaturan. Surveyna nyaeta nguriligan komplek batukuda, neangan lokasi nu cocok jang pendidikan. Duh ning ieu tempat teh kacida luasna, pamandangan na ge indah pisan. Caina ngalimpah sabab langsung tina sumber cai Manglayang. Tos beres tilu kuriling, urang akhirna nangtukeun lokasi. Pas turun ka lebak, eta babaturan abdi tiseureuleu, untung teu labas kana gawir. Duh meuni geus deg degan teu kira-kira, tapi bari hayang seuri oge. Untungna babaturan teu kunanaon. Tah baraya, kade nya mun nuju di Batu Kuda, sabab jalan jukut na leueur. Bisi kajadian jiga babaturan abdi, kade leuwih waspada!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4543", "text": "Cedera biceps bisa bisa lumangsung salaku kusabab aktivitas fisik kayaning ngangkat beurat atawa narik beurat. Sanajan disebut biceps cimata, éta sabenerna lumangsung dina urat (jaringan konéktif nu nyambungkeun otot jeung tulang).Biceps sorangan mangrupa otot dominan dipaké dina ngalakonan kagiatan sangkan biceps robek umumna bisa didiagnosis ku dokter dumasar kana sajarah keluhan sarta pamariksaan fisik sorangan. Nyeri ngadadak di hareup taktak, tiasa dibarengan ku sensasi jaringan peupeus dina taktak / panangan luhur, Karasa nyeri nalika ngangkat panangan luhur, Aya benjolan (massa) dina taktak atawa panangan luhur. Sajauh ieu masih aya perdebatan ngeunaan kabutuhan prosedur bedah pikeun bicep torn. Salian prosedur bedah, biceps torn dirawat ku rehabilitasi sareng ubar pikeun ngatasi keluhan anu timbul sapertos nyeri atanapi bareuh. Anjeun kedah konsultasi langsung sareng dokter anjeun ngeunaan ieu supados nampi perawatan anu cocog sareng kaayaan anjeun. Kuring nyarankeun yén anjeun konsultasi sareng ahli bedah ortopedi pikeun kéngingkeun perawatan anu optimal.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6716", "text": "Di daerah Kabupaten Sumedang, aya tampat kemping nami na Barubereum. Barubereum lokasina aya di suku Gunung Manglayang. Janten upami urang bade naek ka Gunung Manglayang urang tiasa mapay ngaliwatan Barubereum. Tapi upami urang teu aya niatan ka Manglayang urang oge tiasa kemping di tempat anu to disadiaan. Di Barubereum oge aya mushola jeung kamar cai anu lumayan seeur. Upami bade ka Barubereum urang tiasa ngangge mobil atawa motor, tapi urang kedah ati-ati lantaran jalan ka Barubereum seeur babatuan, urang oge bakal sering ngadangu sora tongerek pa saut-saut pas sonten. Aya ayunan jeung tempat ulin kanggo murangkalih di caket tempat parkir.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4967", "text": "Camilan kukis cokelat jadi camilan nu sering dijieun ku simkuring. Kukis cokelat didamelna tina tarigu, susu, jeung cokelat. Warnana cokelat pisan terus teksturna ngerekes. Diluhurna biasa ditambahan ku chocochips atawa cokelat guruntulan, tapi aya oge nu ngangge biskuit regal. Bauna seungit cokelat sabab da emang bahan nu dominan na nyaeta cokelat. Upami dipotongkeun, beuh bentuk na nu garing bakalna ngerekes pisan mun digegel teh. Ngan, upami disimpen na teu tarapti mah pasti bakal gancang bubuk, sabab kabadug atawa katindihan. Ku kituna, perlu disimpen dina toples nu bener terus aya tutupan supaya angger ngerekes moal peot. Ieu camilan biasana diwadahan kana toples bari dientep rendengkeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2745", "text": "Kuring ngawitan nganggo HP Poco F4 dinten Senen ping 9 Juli 2022 sakitar jam 08.00 WIB, teu lami dugi ka Bandara Husen Satranegara Bandung. Dina waktos éta, batréna 98 persén dicas sareng siap pikeun pindah. Kira-kira leuwih ti saratus poto, puluhan vidéo, jeung puluhan rekaman audio dicokot dina kurang leuwih 2,5 jam. Telepon sélulér rada haneut tapi henteu ngaganggu kinerja pisan. Kagiatan tetep lancar sareng telepon sélulér henteu nunjukkeun tanda-tanda katinggaleun atanapi ngalambatkeun nalika dioperasikeun. Sanggeus ninggalkeun pabrik perakitan tempat kuring digawé, kagiatan dituluykeun ku dahar beurang sarta nganjang ka sababaraha lokasi di Batam nepi ka soré geus kitu kuring ogé balik pikeun nguji kaméra ponsel pikeun nyandak gambar di sabudeureun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9433", "text": "Kadu mangrupakeun buah anu miboga kandungan gizi anu loba, sabab ngandung loba serat, karbohidrat, protein, vitamin, jeung mineral. Nanging, duren oge ngagaduhan eusi kalori anu cukup luhur, ku kituna kedah dikonsumsi sacara bijak. Buah ieu sering dijual di pasar di Asia Tenggara, sareng oge sayogi di sababaraha nagara sanes di dunya. Kadu oge mindeng dipake dina masakan tradisional di sababaraha nagara, kayaning nyieun es krim, roti jeung inuman. Milih kadu anu sae mangrupikeun salah sahiji cara anu penting pikeun ngaraosan rasa nu paling nikmat. Ieu sababaraha tip anu tiasa ngabantosan anjeun milih durian anu sae. Kahiji, pilih durian anu kulitna teu ruksak atawa kapotel. Kadu anu geus ruksak atawa kulit mesek biasana geus teu seger deui jeung moal jadi alus. Kadua, pilari kadu anu beuratna cocok jeung ukuranana. Kadu anu hampang teuing atanapi beurat teuing biasana henteu seger sareng moal ngeunah. Katilu, nengetan warna kulitna. Kadu anu kulitna hejo semu coklat atawa koneng herang biasana seger jeung bakal boga rasa anu nikmat. Sedengkeun anu kulitna semu coklat atawa hideung biasana geus teu seger deui jeung rasana geus teu ngeunah. Salajengna, milarian kadu anu seungit. Kadu anu ngabogaan aroma anu kuat biasana seger jeung bakal boga rasa nikmat. Sedengkeun nu aromana lemah biasana geus teu seger deui jeung moal boga rasa amis nu dipiharep. Lengkah saterusna, milih kadu anu dagingna lemes sareng bodas. Kadu anu dagingna garing atanapi coklat poek biasana henteu seger deui sareng moal raoseun. Ku nuturkeun tips ieu, anjeun bakal leuwih gampang pikeun manggihan kadu nu seger tur nikmat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5878", "text": "Salah sahiji barang elektronik anu keur loba dibutuhkeun ayeuna nyaeta air fyer. Alat ieu teh loba digunakeun jang gaganti penggorengan. Mun biasana bahan masakan teh digoreng ku minyak jadi lunyu, tah air fyer mah ngagoreng makanan tapi teu lunyi, jadi hasilna jiga dipanggang kitu. Jadi, air fyer teh loba digunakeun ku nu program diet atawa nu ngamulai ngajalani pola hidup sehat. Nu biasana makanan teh sok digoreng wae, tah ieu jadi alternatif sehatna tina proses gogoreng. Air fryer teh loba pisan dipake ngolah makanan nu sehat. Geus kitu, sumber panas na teh dihasilkeun tina listrik, jadi bisa bari ditinggalkeun jiga penggunaan oven. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3538", "text": "Sabab baheula mah, boga pasangan anu perfeksionis, pinter jeung boga karir cemerlang di kampus. Teu merta nyieun kuring senang. Pangalaman éta ngajantenkeun kuring sadar pisan dina milih pasangan ieu: Teangan jalma anu sami-sami nyaman sareng urang, kanyamanan. Abdi nyaman, anjeunna oge nyaman. Teu perlu make up. Abdi sapertos kieu, anjeun sapertos kitu. Urang nampi sifat masing-masing anu aya dina diri urang pribadi.\r\nSilih hormat, naon waé usaha anu urang lakukeun pikeun anjeunna anjeunna ngartos éta. Sabalikna, urang ngahargaan naon anu anjeunna nyobian pikeun urang. Berjuang nyalira tangguh. capé.\r\nTeraskeun. Anjeunna nyarioskeun naon anu kuring kahartos, kuring nyarioskeun naon anu anjeunna tiasa ngartos. Sanaos urang diajar di jurusan anu béda-béda, anjeunna ngajar kuring sababaraha bahan anu hésé pikeun kuring. Malah ayeuna mah basa manéhna keur digawé, kuring ogé bisa jadi cadanganna lamun manéhna butuh bantuan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2432", "text": "Sangu lengko nyaéta kadaharan has ti Cirebon, Jawa Barat anu kasohor ogé di wewengkon Pantura. Sangu lengko diwangun ku sapotong témpé, tahu, bonteng, tauge rebus, sarta diasupan sambel kacang jeung kecap amis. Cara nyieun sangu lengko: 1. Aduk tempe jeung tahu jeung bumbu taneuh jeung cai. Ninggalkeun salila sahenteuna 10 menit pikeun rasa pikeun infuse. Anjeun oge bisa make bumbu tempe instan lamun teu hayang ngaganggu. 2. Goreng tempe jeung tahu, angkat, sisihkan. 3. Terus nyieun saos. Aduk kacang jeung rempah taneuh. Tuang dina cai panas sarta aduk. 4. Susun sangu dina piring, tambahkeun tahu, tempe, tagoe rebus, irisan bonteng. Tuang saos ka dinya sarta tambahkeun kecap amis. 5. Taburkan sangu lengko dengan irisan daun bawang dan bawang goreng.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5037", "text": "Cipanas Galunggung jadi salah sahiji wisata nu teu kungsi raat pengunjung. Di tempat ieu nyadiakeun destinasi kolam renang nu eusina cai panas langsung ti sumber air panasna. Di tempat wisata ieu aya tilu zona kolam, nu ka unggal zona teh asupna mayar deui. Total kolam renangna aya sakira sapuluh kolam ti kolam gede dugi ka kolam budak. Didiru aya oge kolam nu langsung nyekat tina solokan cai panasna. Aya oge kolam nu jadi pusat ngaburial sumber cai panasna. Salian kolam renang, aya oge privat room paranti ngeueum cai panas. Totalna aya dalapan ruangan, nu mayar asupna sapuluh rebu. Mun ameng kadieu teu kudu riwan ku bekel da seueur warung di sakitaran parkiran.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6680", "text": "Dina yutub biasana arurang sok nonton pidio batur ngadahar dahareun. Yutuber anu gawena dahar teras dipidokeun ngarana mukbang. Mukbang teh aslina mah pidio urang keur dahar anu ditontonkeun ka batur. Di Indonesia biasana yutuber mukbang sok nyieun tantangan atawa challenge, misalna tantangan emam dahareun anu pang lada na, atawa tantangan meakkeun dahareun anu porsina loba. Yutuber mukbang oge biasana sok nyobian dahareun anu anyar teras dinilai ku manehna supados anu nonton tiasa mutuskeun bade meser atau moal. Di Indonesia aya sababaraha yutuber mukbang anu kasohor, di antarana nyaeta Tanboy Kun anu kasohor tiasa meakeun dahareun dina waktos anu gancang pisan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5800", "text": "Olahraga teh gaduh sagudang mangpaat jang tubuh, tilu di antarana nyaeta jiga ulasan berikut. Mangpaat olahraga nu kahiji nyaeta ngabakar kalori dina tubuh. Jadi, mun aya kalori berlebih tei dikaluarkeunna lewat cara olahraga. Nu kadua nyaeta ngastabilkeun kadar kolesterol dina tubuh. Jadi, mun rajin olahraga mah kadar kolesterol dina tubuh teh cenderung kakontrol kaluar masukna, jadi bakal cenderung stabil. Nu katilu nyaeta nyegah terjadina obesitas tubuh. Olahraga teh bisa ngabantu ngastabilkeun berat badan sabab kakontrol tina kadar kalori jeung ngubah lemak jadi otot. Jadi, sacara teu langsing geus bisa nyegah obesitas. Salian tilu mangpaat ieu, loba oge mangpaat lainna nu bakal diulas di artikel salanjutna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6787", "text": "Abdi mah jalmi na sok tara ngalicin acuk lantaran lamun ditilep oge ngke bakal kusut deui. Janten abdi mah ngalicin acuk upami bade langsung dipake. Tapi lamun keur teu sibuk abdi resep ngalicin acuk. Acuk anu asalna nambru janten rapi ditilepan teras disimpen dina lomari acuk. Sanajan ngalicin sabari calik, pasti tetep nyeuri cangkeng, matak abdi mah langkung resep ngalicin sabari tatih, nganggo meja. Biasana sok aya acuk nu hese dilicin, abdi mah sok ngangge semprotan sapertos kisprat supados leuwih gampang dilicin. Ayeuna mah abdi sok ngalicin acuk teras digantung dina hanger, janten teu kedah ditilep-tilep deui, jeung moal kusut deui.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9381", "text": "Ojeg mangrupikeun angkutan umum anu jinis kandaraanna roda dua, nyaeta ngagunakeun motor. Kata ojeg teh mangrupakeun singkatan tina “ongkos” jeung “ngajegang” disingkat jadi ojeg, anu hartina mayar ongkos bari diuk ngajegang. Kusabab make motor, jadi panumpangna kur bisa hiji jalma atawa lamun mawa budak bisa keneh ditunda di hareup atawa di tengah-tengah sopir jeung panumpang. Lamun baheula mah naek ojeg teh urang kudu ka pangkalan ojek heula, ayeuna mah geus canggih, urang tiasa mesen tina hape, jadi kari nungguan ojegna datang tuluy pergi. Bayaranna tergantung kana jarak anu ditempuhna, lamun anu online mah engke bakal aya sabarhaa nu kudu dibayarna dina aplikasina. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6099", "text": "Tilu skill nu kudu dikuasai mun rek ngamulai usaha. Nu kahiji nyaeta kamampuan marketing. Kamampuan ieu teh ngadukung pisan dina pemasaran produk usaha sabab bisa ningkatkeun penjualan produk. Marketing oge bisa ngajadikeun produk leuwih dikenal ku masyarakat. Nu kadua nyaeta kamampuan copywriting. Fungsina nyaeta jang ngapangaruhi pembeli supaya kabita meuli produk usaha urang. Nu katilu nyaeta personal branding Hal ieu supaya bisa ngabangun citra diri jeung kahareupna jualan produk naon wae ge pasti bakal laris sabab fokus pertamana nyaeta ka personal, tuluy nembe ka produkna. Jadi, kudu bisa ngabangun personal branding supaya bisa ngapangaruhi para pengikutna atawa calon konsumen nu tertarik kana produkna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6804", "text": "Basa pandemi seeur pisan kolam renang anu ditutup, janten urang tos lami teu ka kolam renang. Benten sareng jalmi anu gaduh kolam nyalira di bumi atawa anu gaduh artos kanggo mondok di hotel anu aya fasilitas kolam renangna. Tapi alhamdulillah ayeuna seeur kolam anu tos dibuka deui kanggo umum. Abdi sareng rerencangan resep renang di Al-Ma'soem lantaran aya kolam anu dipisah kanggo istri jeung pameget. Al-Ma'soem tos janten tempat renang anu sok didatangan ti jaman sakola keneh. Lamun keur di tempag renang sok aya wae jalmi anu nuju terapi, lantaran renang teh sar kanggo kasehatan. Utamana kanggo kasehatan tulang tonggong.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "441", "text": "MInggu kamari tatangga urang ngayakeun pangajian sabab anakna pupus tos 40 poena. Jadi anjeunna ngayakeun pangajian tuluy ngondang ka tatangga nu sejen. Waktuna mah saberes sholat Isya. Harita kaayaan hujan ngaririncik, jadi urang make payung. Untungna imahna teu jauh-jauh teuing, ngan ngaliwatan 3 imah. Saenggeus ngadoa jeung ngaji langsung kana acara ceramah anu ustadna teh lanceuk urang keneh, nyaeta Ustad Syehabudin. Anjeunna ceramah ngeunaan pentingna sholat berjamaah di mesjid. Sabab ku sholat berjamaah teh pahalana anu 27 kali lipat, beda jeung sholat sorangan nyaeta ngan meunangkeun 1 pahala. Oge sholat berjamaah bisa ngajalin silaturahmi jeung nu sejen boh eta tatangga, urang bisa nyapa jeung apal kaayaanna kumaha.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3859", "text": "Opor Hayam nyaeta salah sahiji masakan anu di pikareuseup ku kabeh jalma, opor hayam ieu istimewa soalna sok wajib aya mun acara gede khusus na mun keur Hari Raya Idul Fitri atawa lebaran. Rasa opor hayam nu gurih pisan tina santen di campr ku bungbu bungbu rempah lain na nu kacampur dina daging hayam nu hipu soalna di masak lila jadi percampuran rasa nu ngeunah pisan. Lebaran moal lengkap rasa na mun eweuh opor hayam. Opor hayam cocok pisan di dahar jeung kupat atawa sangu haneut di tambah sabel tarasi ameh lada terus di bere peresan jeruk limo nu seger cocok pisan mun di dahar balik sholat ied. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4157", "text": "Kufur nikmat nyaéta nyalahgunakeun nikmat Allah SWT, henteu ngamangpaatkeun nikmat-Na kana hal-hal anu bener, sarta henteu bersyukur kana ni'mat anu dimeunangkeun dina kahirupan. Maranéhna teu sadar yén kabeungharan jeung kabagjaan anu ditampi datang ti Allah SWT. Kufur nikmat sering kajadian dina kahirupan urang tanpa urang sadar. Sok teu ngarasa puas jeung hayang nuntut nu leuwih poho bersyukur jeung terus ngagurutu. Sabenerna dina hirup urang kudu loba bersyukur gusti Allah ges loba mere kanikmatan hirup nu sabenerna urang teu sadar contoh pentingna nafas, urang bisa nafas normal teh sesuatu anu kudu di syukuri. Sabab di luar eta loba jalma anu gering hayang bisa nafas normal siga urang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5771", "text": "Dina event Porprov mah upacara pengalungan medali teh dilaksanakeunna unggal beres pertandingan di sapoekeun. Misalna dina poe mimiti pertandingan sok digelar pertandingan nomor sprint. Beres pertandingan sprint teh tuluy diumumkeun hasil pertandinganna sajam saberes pertandingan. Samunculna hasil pertandingan, dibere waktu sapuluh menit jang protes sasuai prosedur. Mun tercantum jadi peraih medali berarti kedah siap-siap jang upacara pengalungan medali. Mun henteu tercantum mah berarti pertandingan poe harita dianggap beres. Biasana pertandingan beres samemeh lohor, terus upacara pengalungan medali na dilaksanakeun jam dua atawa paling telat teh beres ashar. Beres upacara pengalungan medali teh tuluy bubar kangge persiapan pertandingan di hari selanjutna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8805", "text": "Salah sahiji olahraga ringan anu gampang dilakukeun nyaéta naék-turun tangga. Lamun imah urang dua lanté, urang bisa ngamangpaatkeun tangga nu geus aya pikeun ngalakukeun latihan ringan unggal poe. Awak urang kudu dipanaskeun heula, supaya engke otot-otot suku urang teu tegang jeung keram. Salajengna, urang ngan saukur leumpang naék-turun tangga sapertos biasa. Ngalakukeun gerakan ieu sababaraha kali sarta berirama. Nepi ka ahir olahraga, témpo leumpang anu urang lakukeun boleh rada gancang saeutik, sapertos lumpat. Latihan ieu boga tujuan pikeun ngalatih otot suku. Saatos 10 dugi ka 15 menit, teras urang ngarobih témpo leumpang pikeun ngalambatkeun sababaraha menit, teras urang calik atanapi istirahat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6723", "text": "Kebon Pines di Cikole, Lembang janten salah sahiji obyek wisata anu masih jarang keneh didatangan. Lamun ka Lembang biasana urang ulin na ka Maribaya, Float Market, atawa ka Farm House. Padahal aya oge Kebon Pines anu nembe dibuka tahun 2021. Kebon Pines teu ngan saukur kebon hungkul tapi disaadiakeun wahana kanggo ulin. Di kebon Pines aya area kanggo kemping, jogging, jeung pastina seeur tempat popotoan. Kebon Pines cocok kanggo wisatawan anu resep tempat nu teu pati loba jelema jeung teu pati gandeng sora motor jeung mobil. Biasana wisatawan datangna ka Pal-16, tapi tos mulai seeur oge anu ngadatangan Kebon Pines.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2695", "text": "Nalika kuring umurna di handapeun 25 taun, babaturan awéwé resep aérobik atanapi kabugaran di tempat anu khusus. Geus 2 kali diturutan, ahirna teu diteruskeun deui.\r\n\r\nKuring, anu teu boga bakat menari, ngarasa sorangan aneh keur aya. Abdi henteu tiasa nuturkeun ritme sareng gerakan instruktur supados gerakanna sering robih nyalira. Sakapeung kuring ngahaja nabrak anggota sanés atanapi katandangan gerakan leungeun kuring. Ieu ngan ngarasa ridiculous na di tempat salah.\r\n\r\nAhirna kuring balik mawa sapedah, nepi ka ahirna kuring nempo rombongan nu keur maen skateboard. Waktu éta kuring ogé hayang kasampak girly. Maké rok mini anu ngagampangkeun gerak.\r\n\r\nKuring ngaparkirkeun sapédah kuring teras dikonci dina tangkal, teras ngadeukeutan éta pamuda, dikenalkeun sareng langsung menta diajar sareng nyobian skateboard padahal kuring nganggo rok mini. Maranéhna sumanget pisan ngajar kuring. Tungtungna kuring mutuskeun hiji meuli dewan jeung manggihan sorangan senang, sanajan ngan bisa zigzag sarta teu bisa ngalakukeun hiji ollie luncat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7175", "text": "Musik anu kaasup seni musik karawitan nyaeta gamelan. Pakakas musik tradisional anu asalna ti Jawa, Sunda, jeung Bali ieu gaduh tangga nada slendro jeung pelog. Gamelan gaduh seeur pisan jenis na.Pakakas musik ieu diperkirakeun tos aya di taun 404 Masehi, ditingal ti relief anu aya di Candi Borobudur. Alat musik ieu diwangun ku rupa-rupa jenis gong, kendang, jeung alat musik sejenna anu dimaenkeun ku cara anu beda-beda, aya nu ditakol jeung ditepak. Gamelan dipake dina sababaraha jenis musik, diantarana musik rahayat, musik klasik, jeung musik modern. Instrumen ieu biasana dimaenkeun sacara kelompok, pamaenna ganti tempat jeung maenkeun alat musik anu benten. Gamelan oge tiasa dimaénkeun nyalira, kalayan hiji jalma maénkeun sadaya alatna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9450", "text": "Wisata ka situ mangrupikeun cara anu alus pikeun nyeepkeun waktos liburan. Situ biasana gaduh pamandangan anu sae sareng asri, janten tempat anu cocok pikeun bersantai sareng ngaleungitkeun kacape. Salian ti eta, wisata ka situ oge cara anu sae pikeun leuwih ngahijikeun perasaan jeung alam sareng ngalaman kaajaiban anu aya di sakurilingna. Di situ aya di pagunungan, abdi tiasa ngarasakeun pamandangan anu endah bari nyantai di sisi situ atawa leumpang sabudeureunna. Di situ, kuring bisa ngarasakeun kaéndahan situ jeung caina nau herang bari ngojay. Salian ti eta, di sawatara situ oge urang bisa migawe kagiatan sejenna anu bisa, saperti mancing, lalayaran atawa kemping. Janten, wisata ka situ mangrupikeun pangalaman anu pikaresepeun pikeun kuring.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2689", "text": "Kadua Futsal, mimiti lalajo futsal teh pertandingan antar sakola (mun teu salah mah turnamen Pocari Sweat). Panitia naroskeun ka unggal sakola pikeun ngagerakkeun suporter, khususna bakal aya hadiah pikeun suporter anu pangsaéna. Kusabab babaturan kuring lalajo eta jeung misan kuring ogé maén, jadi kuring ogé lalajo eta. Suasanana memang meriah, najan teu meriah siga maen bal. Salah sahiji momen pangalusna kuring nalika nonton futsal nyaéta nalika sakola kuring meunang turnamen Pocari Sweat (dina taun kadua kuring SMA). Malah basa keur kuliah di Jogja oge sababaraha kali lalajo pertandingan futsal, sabab diondang ku babaturan oge \"GRATIS\". Turnamén futsal anu kuring tonton di Jogja nyaéta Pasanggiri Futsal Nasional jeung Piala AFC. Saliwatan éta pasanggiri dilaksanakeun di aula olahraga kampus kuring. Karasa oge lamun lalajo pertandingan futsal, da anu paling pikagumbiraeun mah lalajo Timnas.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8293", "text": "Dina awalna, media sosial ngan dipake salaku sarana sosialisasi. Tapi, ayeuna anjeun tiasa ngamangpaatkeun media sosial pikeun bisnis. Nya, alesan utama pikeun bisnis online dina media sosial populer sabab eta gampang pisan pikeun ngamimitian. Anjeun tiasa nganggo akun pribadi anu tos aya sareng mimitian ngajual langsung. Nanging, langkung sae ngagunakeun akun bisnis kusabab fitur anu sayogi pikeun ngadukung bisnis online anjeun. Contona, fitur ngalacak kinerja bisnis, nempo demografi pembeli, sareng nu sanesna. Pondokna, ngan pilih gambar produk pangalusna anjeun, eusian deskripsi pondok, tangtukeun pangaos, sarta pos. Upami calon pembeli tertarik, aranjeunna tiasa tinggalkeun komentar atanapi ngirim pesen pribadi (DM) ka anjeun. Ku alatan eta, loba nu ngagunakeun media sosial pikeun ngajual imah atawa produk homemade.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2326", "text": "Abdi biasa angkat ka garéja. Hiji-hijina tujuan kuring nyaéta damel pikeun milarian artos salaku juru kamera kawinan. Saliwatan, sakali klien tina pasangan Katolik jeung Kristen otomatis ngagabung kuring di garéja pikeun dokumén momen nikah maranéhanana. Anu unikna mah batutan kuring aya nu make pasmina hiji-hijina (jeung kabeneran awewe) anu make jilbab dina upacara Pangberkatan jadi identitas kuring salaku muslim teu leungit jeung nu hadir dina eta kawinan oge teu kaganggu ku ayana kuring. didinya kuring ngaabadikeun jeung nyieun video khusus abdi didinya ningali proses pangberkatan nu si awewe na teh di tuntun ku wali na eta rama na jeung di awitan ku barudak leutik mamake baju nu lucu bari ngawurkeun kembang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4140", "text": "Urang kabeh hirup di negara anu agaman na rupa rupa, pasti weh di lingkungan urang aya anu beda agama tong boro lingkungan kadang sakulawarga oge aya anu agamana beda. Boga babaturan beda agama oge pasti ges jadi hal anu biasa, urang basa kulaih ngalaman boga babaturan dekeut anu beda agama. Manehna agama kristen protestan, manehna pemeluk agama kristem ptotestan anu taat. Unggal poe minggu tara elat ka gereja keur ibadah malah manehna aktif di kagiatan remaja gereja jeung pelayanan gerejena na. Manehna sering carita lamun geus ngayakeun acara atawa bakti social di gerejana. Urang salaku babaturana mili bungah tur resep ningali babaturanna taat dina agama. ieu salah sahiji bukti toleransi tapi teu nyampuri urusan agama masing masing. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6094", "text": "Saberes kuliah, abdi ngarintis usaha travel aalitan nu dimimitian ku modal saayana. Mimiti muka travel teh abdi ngan gaduh hiji mobil terus ngan tiasa di sakitaran kota Tasikmalaya we da katerbatasan sumber daya manusia. Makin kadieu alhamdulillah perkembanganna mesat pisan. Tos dua tahun berjalan teh abdi ayeina kapeser dua mobil terua tiasa joinan sareng travel nu leuwih ageung. Abdi oge tiasa ngapekerjakeun lima orang supir, sareng kerja sama ka berbagai pihak perorangan dina penyewaan tipe mobil. Alhamdulillah panghasilan sapoe ge tos leuwih ti cukup kangge abdi mah. Kantun mayengkeun usaha supados bisa leuwih berkembang ka payunna janten travel nu leuwih ageung.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7180", "text": "Hiji pakakas musik anu teu meunang eweuh dina musik tradisional Sunda nyaeta Suling. Alat musik suling asalna ti wewengkon Jawa Barat. Alat musik anu dijieun tina awi jeung digolongkeun kana alat musik tiup atawa biasa disebut aerofon. Alat ieu bentukna leutik, panjangna sakitar 30 cm kalayan diaméter 3 cm. Ciri tina kacapi suling nyaeta ayana liang leutik dina awakna anu boga fungsi minangka tempat nyaluyukeun nada anu dipikahayang ku pamaen. Sora nu dihasilkeun tina alat musik awi ieu sarupa jeung siulan anu tarik tur nyaring. sora anu dihasilkeun asalna tina hawa anu ditiup ngaliwatan tungtung alat musik awi panjang ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8078", "text": "Aya hiji wanoja ngaranna Maya anu ngalaman langsung mangpaat olahraga dina kahirupanana. Samemehna, Maya nyeepkeun waktosna dina komputer sareng jarang latihan. Anjeunna karasa cape sareng kakurangan tanaga unggal dinten, sareng ngalaman sababaraha masalah kasehatan sapertos nyeri sirah sareng masalah pencernaan. Hiji poe, Maya mutuskeun pikeun rutin latihan. Mimitina, anjeunna ngahadiran kelas yoga sareng senam di pusat kabugaran caket bumi. Sanggeus sababaraha minggu latihan, manehna mimitian ngarasa parobahan positif dina awakna. Maya ngarasa leuwih energik jeung cageur, sarta ngarasa bagja jeung leuwih santai unggal poe. Maya lajeng mutuskeun pikeun nyobaan olahraga sejenna kayaning ngajalankeun, ngojay jeung hiking. Anjeunna mendakan yéen latihan masihan anjeunna seueur mangpaat, sapertos ningkatkeun daya tahan, ngabantosan ngirangan setres, sareng ningkatkeun kualitas sare.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5342", "text": "Siti Zulaikha mangrupakeun putri ti salah sahiji kerajaan nu berpengaruh. Seueur putra mahkota nu ngalamar ka bumina, tapi Siti Zulaikha ngahindar. Siti Zulaikha ngimpi pependak jeung saorang lalaki anu teu dikenal tapi narik perhatian anjeunna. Ngimpi eta teh tos tilu kali datang dina tidurna. Hiji waktu, saorang pejabat namina Qithfir ngalamar Siti Zulaikha, tuluy ditarima ku anjeunna. Geus ngajalani hubungan suami istri, Siti Zulaikha reuwas ningali budak Qithfir mangrupakeun lalaki nu sok aya dina ngimpina. Siti Zulaikha kagegeloan ku lalaki eta. Ternyata eta teh Nabi Yusuf AS. Nabi Yusuf AS ngarasa diperatikeun ku Siti Zulaikha, anjeunna sieun janten potensi zina. Tuluy Nabi Yusuf milih ngasingkeun diri supaya teu pendak Siti Zulaikha. Selang pengasingan dina penjara, ahirna Nabi Yusuf AS bebas. Tuluy hiji poe pendak jeung Siti Zulaikha, langsung we anjeunna ngakhitbah. Tah, tidinya baraya urang tiasa kenging hikmah yen kedah ngajauhan dosa zina, sabab hubungan nu sae mah nu bebas tina sifat zina. Yuk jaga diri urang supaya kenging jodo nu terbaik!", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4185", "text": "Salian aya upacara kamatian ngaben di bali nu kasohor, aya oge upacara kamatian nu eleh kasohor di indonesia nyaeta upacara adat rambu solo di tana toraja. Makna upacara adat Rambu Solo pikeun masarakat Tana Toraja. Upacara adat Rambu Solo nyaéta upacara adat anu patali jeung maotna saurang jalma. Tujuanana pikeun ngahormatan roh atawa jiwa jalma nu geus maot sarta ngarah ka alam roh atawa bisa disebutkeun minangka wujud nyampurnakeun roh manusa jalma nu geus maot. Salian ti éta, upacara adat Rambu Solo ogé dilaksanakeun minangka wujud pamujaan ka arwah karuhun katut karuhunna. Upacara Rambu Solo dilaksanakeun ku masarakat Toraja pikeun kapercayaanana sarta dumasar kana tingkat sosial, ogé tahta anu geus ditangtukeun.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4655", "text": "Kabiasaan ieu bis ngarubah jeung berpengaruh kana kahirupan urang anu ayeuna anu hayang na gancang, praktis jeung hayang sagala instan. Kabiasaan ieu aya alus jeung goreng na, alus jadi mici batur jadi leuwih kreatif jeung babari adaptasi tapi goreng na loba nu hayang sagala babari jadi ngagampangkeun sesuatu. Urang salaku manusa anu hirup di jaman teknologi oesat kieu kudu pinter pinter nempatkeun diri kudu bisa saimbang ngalakukeun jeung mangfaatkeun teknologi anu aya. Kudu tetep update jeung babari adaptasi jeung kreatif tapi oge kudu daek anu ngarana berproses kusabab eweh nanaon anu babari jeung instan kabeh ge butuh usaha pikeun meunangkeun naon anu di pikahayang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5369", "text": "Hari Raya Natal jadi salah sahiji hari raya nu cukup rame diperingati ku umat kristiani. Hari Raya Natal diperingati tanggal 25 Desember. Natal diperingati sebagai poe lahirna Yesus Kristus. Natal biasana identik jeung taun baruan, sabab pelaksanaan poena nu deukeutan jeung taun baru. Unggal Natal, sok diayakeun kebaktian di gerega unggal peutingan rek nal atawa tanggal 24 Desember, jeung poe isuk-isukna tanggal 25 Desember. Mun natal oge sok dimeriahkeun ku ayana pohon natal, jeung kagiatan tuker kado natal. Bisa dibilang natal teh \"lebaran\" na umat Kristiani. Natal oge identik jeung hujan, sabab mun natal pasti we turun hujan. Ieu dianggap hal bak ku umatna sabab nunjukkeun kaberkahan di poe nu besar ieu.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4245", "text": "Aya babaraha rupa carita sejarah alat musik tradisional sasando salah sahijina aya carita nyaeta Dina awalna, dicaritakeun aya saurang pamuda ngaranna Sangguana (1950-an) anu terdampar di perairan Pulo Ndana sarta dibawa ku warga ka Raja di Karaton. Nalika cicing di karaton ieu, bakat seni Sangguana gancang dikenal ku seueur jalma sareng sang putri kagum ku kamampuanana. Manéhna miwarang Sangguana nyieun pakakas anu can kungsi aya. Dina hiji peuting, Sanguana ngimpi maén alat musik anu wangun jeung sorana éndah. Diideuan ku impian ieu, Sangguana nyiptakeun alat musik anu disebut Sandu (hartina \"ngageter\"). Bari maén, putri nanya lagu naon anu keur diputer sarta Sangguana ngajawab \"Sari Sandu\". Anjeunna masihan alat ieu ka putri. Sang putri tuluy dingaranan Depo Hitu. Hartina, pas talina dipetik, tujuh senarna ngageter (Yusuf Nggebu jeung dimuat online taun 2002 dina Harian Kompas). ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5758", "text": "Rata-rata di saluruh sakola sa kabupaten Subang ngajadikeun ekskul voli sabagai hiji-hijina ekskul kabanggan sabab dinilai geus loba norehkeun prestasi di tingkat kabupaten. Jeung deuih anggota ekskul voli teh sok difasilitasi ku pamarentah, hal ieu nunjukkeun bahwa perhatian pamarentah satempat ka ekskul voli teh luar biasa. Jarang pisan olahraga salian voli nu meunang difasilitasi ku pamarentah. Mun voli mah sabab ti baheula na jadi olahraga kabanggan, sabab geus norehkeun prestasi nu loba pisan sapanjang tahun. Biasana ge anggota ekskul voli teh sok meunang beasiswa di sakolana. Komo mun jadi juara dina event Popda mah, sok meunang apresiasi leuwih ti sakola teh. Kadang oge sok aya nu dibabarikeun dina urusan administrasi sakolana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9036", "text": "Faktor kasuksésan wirausaha anu kadalapan nyaéta mampuh ngalaksanakeun strategi pemasaran anu efektif. Strategi pamasaran anu pas sareng efektif tiasa direncanakeun upami anjeun parantos terang target pasar pikeun produk bisnis anjeun. Inget, teu perlu rurusuhan kana ngembangna dina skala badag ka wewengkon séjén. Fokus heula kana pamasaran anu anjeun tiasa ngahontal. Kasalapan, bisa méré solusi pikeun hiji masalah. Wiraswasta nyaéta jalma anu sanggup méré solusi wirausaha pikeun masalah ayeuna. Solusi anu disayogikeun leres-leres luyu sareng kabutuhan pasar. Ieu bakal ngabantosan kalancaran usaha sabab ningkatkeun penjualan anu lumangsung. Tungtungna, éta tiasa ningali kasempetan sareng nyandak kasempetan anu datang. Pangusaha kedah tiasa ningali kasempetan sareng pinter dina nyandak kasempetan. Persaingan anu ketat pisan dina kewirausahaan bakal ngajantenkeun usaha ngalambatkeun penjualan sareng tinggaleun ku pesaing.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2698", "text": "Sanggeus éta tilu bulan pangalaman, abdi mimiti climbing on loba cliffs kalawan rupa-rupa batu. Leres, kuring masih amatir dibandingkeun sareng anu sanés tapi kuring bagja pisan sareng kasempetan ieu. Ngenalkeun sareng murag asih sareng panjat tebing henteu kantos aya dina imajinasi kuring sateuacan tapi tingali kuring kuring malah tiasa naek ka luhur. Sanggeus éta tilu bulan pangalaman, abdi mimiti climbing on loba cliffs kalawan rupa-rupa batu. Leres, kuring masih amatir dibandingkeun sareng anu sanés tapi kuring bagja pisan sareng kasempetan ieu. Ngenalkeun sareng murag asih sareng panjat tebing henteu kantos aya dina imajinasi kuring sateuacan tapi tingali kuring kuring malah tiasa naek ka luhur. Di dieu aya sababaraha cliffs Kuring geus diusahakeun, sababaraha nu luhur (ka luhur) sababaraha henteu. Gawir-gawir di Basisir Siung (Gunung Kidul) mimitina kuring nyobaan gawir sajaba ti gawir latihan jeung gawir uji. Batu karang, jadi lamun teu maké sapatu, suku anjeun bakal nyeri. Nepi ka luhur, panempoan anu saé pisan! Laut kabuka dikurilingan ku gawir.\r\nIeu katuhu handap ka handap deui .. gambar teu goréng. Salian ti cengkéh, kuring ogé pernah nyobaan gawir sukolilo, aci. Deui-deui, hanjakal, sanggeus ngotektak poto heubeul, kuring teu bisa manggihan poto jeung pose alus, sabab dasarna, dasarna, pendaki téh amatir, jeung fotografer oge amatir. Tempat anu saé pisan!\r\nÉta versi abdi tina olahraga paling ekstrim haha ​​​​Kuring ngarasa kawas balik ka jaman baheula huhu Aaaa!! Abdi sono pisan ka Manjaaat!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2356", "text": "Abdi paling resep kana lagu keroncong Kemayoran, upami teu lepat ti DKI Jakarta, leres? Tah, naha kuring resep kana lagu eta, salah sahiji alesanana nyaeta kuring sering ngadangu lagu eta di YouTube, dimana eta lagu teh mangrupa salah sahiji lagu anu wajib dinyanyikeun ku mahasiswa baru Indonesia nalika nuju nuju masa orientasi di aula universitas Indonesia. , mun teu salah mah. Ayeuna, kumargi sateuacan abdi hoyong pisan lebet ka paguron luhur Indonesia, abdi sering milarian lagu keroncong Kemayoran ieu di YouTube, ti mimiti paduan suara, nepi ka langsung anu sering dinyanyikeun di aula universitas Indonesia. Abdi bogoh pisan ka paguron luhur Indonésia, abdi sering ngadangukeun lagu ieu di YouTube dugi ka ngapalkeun sadinten.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2669", "text": "Ténis ayeuna pas masa pandemi di kota atanapi dayeuh nu ageung, mangrupikeun salah sahiji olahraga anu dipikaresep ku jalma tina sagala lapisan kahirupan. Salah sahiji faktorna nyaéta ténis mangrupa olahraga anu teu pati hese dimaénkeun, jadi teu anéh loba barudak jeung manula anu maen olahraga ieu. Salaku tambahan, seueur lapangan ténis anu sayogi mangrupikeun salah sahiji faktor anu ngadukung ténis ditampi ku ampir sadaya kelompok. Tangtosna, pikeun maén ténis, salah sahiji parabot anu kedah dipiboga nyaéta rékét. Pikeun jalma anu kakara ngamimitian, tangtosna, aranjeunna bakal bingung milih rakét ténis anu cocog sareng kabutuhanna. Kusabab pilihan raket anu nyaman sareng cocog bakal ngadukung kaulinan ténis anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5901", "text": "Sairing jeung berkembangna teknologi, kahirupan manusa ge saeutik-saetik robah. Salah sahiji contona nyaeta penggunaan dompet digital nu ngaganti penyimpanan uang konvensional. Tah tilu dompet digital anu jadi pilihan masyarakat teh nyaeta nu kahiji Dana. Aplikasi ieu teh katelah ku kaamanan nana anu mumpuni jeung deuih biaya adminna anu gratis, mantak seueur masyarakat leuwih milih nyimpen tabungan didieu daripada di bank. Nu kadua nyaeta Shopeepay. Tah dinya dompet digital ieu mah bisa dipake jang balanja ongkoh dina marketplacena, jadi teu kudu riweuh isi saldo deui. Nu katilu nyaeta Flip. Aplikasi ieu teh perantara dompet digital supaya bisa bebas admin mun rek ngalakukeun transaksi teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2235", "text": "Sasederhana ieu sabenerna, nalika kuring ngarayakeun Idul Fitri, tatangga kuring masihan kuring bungkusan kueh sareng coklat anu saé pisan sareng bungkusanna leres-leres ngahaja. Sareng nalika aranjeunna ngagungkeun Natal, indung kuring ogé masihan aranjeunna kuéh anu sami. Ieu kagiatan rutin nu teu sengaja. Aranjeunna ngahargaan naon kuring ngagungkeun, sarta sabalikna tanpa ningali mana agama anu paling bener. Ku kituna, naha masih aya waé campur dina agama batur? Saur nabi ge pan \" Agama anjeun agama anjeun, agama kuring agama kuring\". Ngan hiji nu ku urang omat nyaéta kumaha urang silih ngahormatan. Salain éta, kuring ge inget pisan waktos di kaluarga kuring ngayakeun pangajian 40 dintén pupus na pun nini, maranehna ngilu daratang ngan saukur ngahargaan keluarga kuring nu keur kapapaitan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7633", "text": "Dinten ieu bakal aya salah sahiji rerencangan di tempat gawe kuring anu bade ereun digawe lantaran bade ngalajengkeun kuliah di luar negeri. Tos dua sasih ka tukang manehna nyiapkeun kanggo pendataran kuliah sareng beasiswa. Kamari di kantor urang sadayana tos ningal hasil pangumuman beasiswa anjeunna sasarengan. Abdi toh pisan pas ningal manehna janten salah sahiji anu kapilih beasiswa. Dinten ieu urang sadayana bade syukuran, janten abdi tos nyiapkeun dahareun kanggo dibawa ka kantor. Abdi kabagean mawa nginuman kanggo sadayana. Abdi atos sakaligus sedih lantaran anjeunna bakal ninggalkeun kantor urang. Tapi abdi oge dina jero hate gaduh cita-cita anu sarua sareng anjeunna, hoyong ngalajengkeun kuliah di luar negeri sapertos anjeunna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8058", "text": "Ekskul teh tiasa janten kagiatan nu mere manfaat pikeun barudak sakola. Ekskul teh tiasa ngembangkeun minat sareng bakat barudak janten barudak teh sanes diajar akademik di kelas hungkul nanging dibidang nu sejen oge sapertos bidang olahraga. Tos seueur ekskul-ekskul nu disayogikeun ku pihak sakola, sapertos basket, futsal, badminton, renang, atletik, jeung sajabana. Ngiluan ekskul moal ngaganggu ka pembelajaran akademis barudak sakola, malahan tiasa ngabantos budak supados fokus diajar di kelasna. Ekskul di sakola ge janten jadi alat pikeun nyaring tunas-tunas atanapi calon-calon atlit di Indonesia. Upami tos katempo bakatna budak teh tiasa diarahkeun supados teras dilatih nika keun hade tur jago.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6711", "text": "Salah sahiji lauk anu loba di Indonesia nyaeta tuna. Tuna kaasup lauk anu ngojayna gancang pisan, tiasa nepikeun 77km/jam lantaran tuna cicing dina cai anu ombak jeung arus anu badag. Daging tuna benten sareng daging lauk anu sanes, daging lauk umumna gaduh warna bodas, tapi daging tuna gaduh warna bereum. Lauk tuna tiasa hirup dina kondisi cai anu tiris pisan jeung tiasa hirup dina rupi-rupi kondisi cai. Umumna tuna gaduh ukuran awak anu gararede. Di Indonesia populasi tuna seeur pisan. Tuna oge gaduh seeur pisan spesies, diantarana aya cakalang jeung tongkol. Tuna dikenal ku kandungan gizi anu seeur pisan sapertos omega tilu, lemak, vitamin, mineral, jeung asam amino. Matak hayu urang dahar tuna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8802", "text": "Salah sahiji olahraga ringan anu gampang dilakukeun nyaéta maén lompat tali, urang tiasa maén babarengan sareng réréncangan. Luncat tali biasana leuwih sering dipaénkeun ku budak awéwé. Hal kahiji urang kudu nyiapkeun tali pikeun luncat, biasana dijieunna tina karét gelang disusun sangkan jadi tali. Naha kudu dijieun tina karét? Kusabab sifatna elastis sahingga gampang maén sareng henteu nyeri nalika nabrak awak teh. Kumaha carana maén, urang ngan kudu baris dina urutan pamaén, lajeng mimitian luncat hiji-hiji dina urutannana. Kaulinan ieu dimimitian ti jangkungna awak handap nepi ka luhur, saha nu teu bisa ngaliwatan eta, manéhna kudu nyekel kana tali karét, terus kitu nepi ka kaulinan réngsé.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4222", "text": "Baladu nyaeta pakarang tradisional masarakat Gorontalo anu dipake dina perang jaman baheula.Ieu pakarang kaasup pakarang anu dipake ku masarakat Gorontalo dina perang Panipi, sakumaha anu ditetelakeun samemehna. Senjata ieu dipiboga ku sakumna pangawal raja di unggal karajaan di unggal Gorontalo dina waktu harita keur ngabela diri nalika datang bahaya. Bagian cecekelan bentukna tina bentuk silinder. Wangun dasar anu ngawangun gagangna nyaeta dua wangun sirkular sarta hiji wangun sagi opat anu ngabentuk ruang silinder (tangkal gagang).Bagian panon diwangun tina wangun congcot, wangun dasar anu ngawangun bagian panon nyaeta wangun bunderan sarta wangun segitiga anu jadi wangun congcot (panon pakarang). Bagian malapah dibentuk tina tilu wangun silinder. Wangun dasar anu ngawangun sarung nyaéta wangun sagi opat sarta dua wangun sirkular anu ngawangun bilik silindris (warung gagang).", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5030", "text": "Dua curug hidden gems nu aya di Subang nu wajib dilongokan ku baraya. Nu kahiji nyaeta Curug Cina nu lokasina di Batu Kapur, Kalijati. Curug ieu ditempuh ku dua jam ti jalan raya Kalijati Timur. Terus ti parkiran ka lokasi curug na oge kudu tracking heula salila sajam. Akses ka curugna mapay sawah jeung kebon rambutan. Curug na endah pisan, aya dua kolam laleutik handapeunna supaya bisa dipake guyang. Ngan didieu mah euweuh warung atawa kamar cai, jadi kudu persiapan ti awal. Nu kadua nyaeta curug Sadim. Curug ieu lokasina di Panaruban, Subang. Curug Sadim tempatna nyumput di tengah kebon teh. Ti jalan raya ka lokasi bisa nyeepkeun waktu sakira satengah jam. Akses jalan ka curugna batu hungkul. Fasilitas curug na tos aya mushola, kamar cai, jeung warung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6493", "text": "Mun bade mendaki ka Gunung Ciremai, kedah pandai ngitung persediaan bekel cai. Pasalna, ti mimiti jalur pendakian dugi ka puncak teh teu aya sumber cai pisan, jadi kedah nyandak nyalira ti handap mula. Perhitungan cadangan cai ge kudu diperhatikeun. Ulah nepi ka engke kaseepan cai di puncak. Mantak di gunung maj kudu hemat pisan kana konsumsi cai teh. Tong poho salian nyadiakeun cai nginum, oge kudu nyadiakeun cai jang masak. Terus mawa cai na ge kudu dileuwihan jang stok dua poeeun sabab bisi aya hal nu teu dipikahayang malah terjadi, jiga tersesat tea atawa kekeunaan musibah di tengah perjalanan balikeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2309", "text": "Utamana dina mangsa pandémik Covid-19 sapertos ayeuna, seueur pisan\r\nkolot nu ngawadul ngeunaan ékonomi, sangkan pikeun ngawétkeun\r\nTradisi sapertos Diba'iyah hese pisan, milarian tempat ngumpul,\r\nNyiapkeun konsumsi, jeung persiapan lianna, kitu ogé kasusah ngondang sémah\r\nRumaja anu geus kakait kana gadget maranéhanana. jadi manehna poho ngeunaan eta\r\nTradisi ogé kudu dilestarikan. Utamana di Dusun Bukaan, anu mayoritasna paras\r\nawéwé ngora anu geus dewasa mimiti ngurangan sabab loba boga\r\nkawin jeung preoccupied kalawan tanggung jawab anyar, jadi nanaon\r\nloba pisan waktuna pikeun mantuan ngalestarikeun tradisi Diba’iyah nu aya.\r\nDeparting ti éta, mimiti sagala diperlukeun hiji kasadaran pikeun\r\nrumaja jeung kolot yén kaayaan kiwari keur jalan jauh\r\ntina ekspektasi masarakat. Nonoman salaku tuluyan tina tradisi kudu sadar\r\nyén penanaman tradisi budaya Islam mimiti leungit jeung lemah.\r\nTradisi alus nu geus aya mimiti luntur sarta ditinggalkeun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4981", "text": "Barista jadi salah sahiji pagawean anu loba dipigawe ku budak ngora zaman ayeuna. Tah, jadi barista teh lain sagawayah ngan nyieun kopi hungkul. Jah ti eta, barista ge kudu boga pamadegan sorangan dina ngaracik inuman kopi. Cara jadi barista nyaeta kudu nempuh sababaraha tahap. Mimiti, milu kursus barista online atawa offline, fungsina supaya urang apal karakter kopi, bedana kopi, jeung sajabana perihal kopi. Kadua, urang kudu paham kana ngaran, fungsi, jeung cara ngoperasikeun alat-alat kopi. Katilu, urang kudu latihan terus-terusan supaya meunangkeun racikan kopi anu pas jeung unik nembongkeun ciri khas urang sorangan. Kaopat, mulai wanikeun diri daftar jadi barista ka kafe-kafe nu dituju.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6754", "text": "Kapal terbang mangrupakeun salah sahiji alat transportasi anu paling populer di jaman ayeuna. Kapal terbang parantos janten alat transportasi anu penting pisan pikeun wisatawan. Kapal terbang ngamungkinkeun para wisatawan pikeun ngahontal tujuanana gancang sareng gampang. Lamun naek kapa terbang panumpang tiasa ningal pamandangan langit ti luhur tina jandela. Sanajan seeur kacilakaan kapal terbang, transportasi ieu justru mangrupakeun transportasi anu paling aman dibandingkeun alat transportasi anu sanes na. Harga anu awis sabanding jeung gancang sareng nyaman na. Samirah-mirahna tiket kapal terbang urang pasti meunang dahareun dina kapal terbang. Kapal terbang oge tiasa janten pilihan trasportasi kanggo ngahemat waktos, kanggo jalmi anu sibuk kaditu kadieu, kapal terbang tiasa janten pilihan anu gancang jeung efisien.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8903", "text": "Aya dua rupa kompor anu loba dipaké di rumah tangga, nyaéta kompor gas jeung kompor listrik. Kompor gas jeung kompor listrik kasampak sarua, tapi sabenerna béda. Kompor gas biasana mibanda logam leuwih diluhur pembakarna, panci atanapi pan bakal disimpen dina eta logam pikeun masak. Samentara éta, seuseueurna kompor listrik modern biasana ngagunakeun keramik datar atanapi permukaan kaca anu disimpen di luhur koil pemanas. Dina kompor gas urang tiasa ningkatkeun atanapi ngirangan ukuran seuneu sacara instan, ngamungkinkeun pikeun ngontrol suhu anu langkung gancang sareng langkung tepat. Di sisi séjén, kompor listrik kudu plugged kana stop kontak 220-volt husus pikeun nampung arus kakuatan gede tur fungsi ngalirkeun arus ngaliwatan koil logam dina kompor ambéh kompor bisa panas. Tapi, kompor listrik langkung laun sareng sesah dikontrol suhu tibatan kompor gas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2385", "text": "Disebut kerupuk malarat sabab kurupuk ieu digoréng maké keusik, jadi kandungan gajihna bisa jadi leuwih saeutik batan kurupuk biasa jeung hargana murah jeung nikmat jeung loba pisan jeung hese mawa kurupuk ieu lamun teu dipaké. mobil pribadi...\r\nKurupuk goréng tangtu. Aya seueur jinis kurupuk anu goréng di daérah kuring, anu aya dina poto nyaéta kurupuk bodas, dibumbui anu panghadéna saur kuring. Kurupuk yeye rasana oge bisa dijadikeun oleh-oleh, tapi kurupuk ieu ngan ukur jadi oleh-oleh khusus pikeun anu pernah ngadaharna, barina oge rasana biasa-biasa wae. Kumargi eta dua kurupuk teh murah, upami hoyong anu mahal tiasa ngagaleuh kurupuk kulit lauk sareng kurupuk udang kualitas luhur, tapi kaunikanna ngirangan sabab kurupuk kulit lauk sareng kurupuk udang tiasa diproduksi di mana waé daérah basisir.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9055", "text": "Baso aci mangrupikeun salah sahiji kuliner khas Garut anu masih dipikaresep ku seueur jalma dugi ka ayeuna. Kuliner ieu dijieun tina tipung kanji atawa anu disebut ku urang Sunda mah aci. Dina penampilanna, kadaharan ieu sarupa siga cilok kuas nu umumna. Sanajan kitu, dua kuliner has Jawa Barat ieu boga tampilan jeung rasa nu béda. Baso aci boga ciri has nyaeta saos anu gurih, haseum jeung seungitna kencur. Lamun nganjang ka Garut, baso aci mangrupa salah sahiji jajanan anu kudu dicobian. Urang tiasa nganjang ka warung baso aci di Kota Garut anu jumlahna ratusan. Henteu ngan di Garut, kuliner anu bentukna buleud tur bertekstur kenyel ieu geus mulai nembus pasar nasional. Alesanana, anu mikaresep kadaharan ieu ayeuna lain ngan ukur di warga Kota Garut hungkul. Malahan, sababaraha pangusaha kuliner di kota-kota séjénna, saperti Semarang, Tasikmalaya, Bandung, jeung kota-kota di luar Jawa ogé geus ngamimitian ngahasilkeun jeung ngajual baso aci ku rupa-rupa inovasi penyajian, kemasan jeung rasa. Di Indonésia waé, kuliner ieu parantos populer saprak taun 2016.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1950", "text": "Teu saeutik jalma nu nyebutkeun naék gunung téh \"néang panyakit\", upamana sieun ku leuweung poék, hantu, komo sato galak, tapi anggapan kitu teu sagemblengna bener, nyaho yén gunung éta éndah lamun urang ngarti kumaha carana. ngarasakeun aranjeunna; di gunung saolah-olah jiwa jeung raga urang pasrah kana sagala resiko nu bakal tumiba ka urang; di gunung aya halimun misterius anu bakal mawa urang ka tenang. Ti mimiti mikir naha hayang nuluykeun naek gunung, naha teu nyerah, sanajan sababaraha kali kuring kuciwa ku hawa nu kacida teu stabil. Nepi ka ayeuna kuring masih bingung mun ditanya naha kuring naek, jawabanna \"selalu hadir\" dina pikiran kuring, anu misterius sareng sababaraha alesan sigana kuring dihipnotis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9388", "text": "Lantaran ningali vidio di TikTok, ti isuk keneh kuring geus hayang pisan ngasaan bakso nu cenah kacida ngeunahna di Bandung. Dina vidio nu ku kuring lalajoanan, bakso nu aya di dinya teh gede tur loba eusina. Terus wae kuring geuwat-geuwat indit ngajugjug tempat nu dituju nyaeta Bakso Rusuk Samanhudi nu aya di Jalan Ir. H. Juanda Nomor 342, Dago Atas, Bandung. Sanepina kuring di dinya, Bakso Rusuk Samanhudi miboga menu nu rupa-rupa. Aya bakso rudal, bakso urat, aya oge baso nu eusina endog, aya oge bakso mercon anu kasohor ku rasana nu lada, jeung geus tangtu, bakso andalan nyaeta bakso rusukna. Salian bakso kuah, di Bakso Rusuk Samahudi ieu oge nyadiakeun menu bakso goreng nu teu eleh pikabitaeun. Kuring langsung mesen saporsi bakso andalana, nyaeta bakso rusukna. Ti mimiti ngahuap, kaldu anu jadi kuahna nikmat pisan. Baksona oge nyakrek jeung karasa pisan dagingna. Kuring ngarasa puas pisan bisa ngasaan bakso Rusuk Samanhudi nu nikmat kacida.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3893", "text": "Donat mangrupikeun salah sahiji jajanan anu di pikaresep ku kuring, rasana anu lembut, ngeunah jeung bisa ngawaregkeun, Harga na anu murah ngajadikeun donat jajanan atawa cemilan andalan mun keur lapar atawa hayang ngemil. Donat oge termasuk cemilan sehat, donat di jieun na ti tipung tarigu, susu, kumeli, endog nu di fermentasi ku ragi ameh beukah. Aya loba jenis donat. Aya donat kentang nu biasa jeung aya nu biasa disebut donat SD, donat ieu teu pake kentang matakna liat biasa di jual ku amang amang nu nangggung jeung sok biasa dagang hareupeun SD donat ieu harga na lewih murah. Donat ogé ayeuna loba variasi rasa. ti nu basajan ku taburan gula nepi ka rupa-rupa topping saperti meses, keju, coklat, nepi ka kacang jeung sajabana harga na beda - beda nurutkeun rasa biasana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4527", "text": "Olahraga ekstrem ngabogaan loba mangfaat lewih tina olahraga biasana komo deui kana kaitana ka mental, kagiatan olahraga ekstrem teh bisa ngalatih mental supaya bisa leuwih wani lamun keur ngahadeipkeun nanaon, ngalatih ngelola rasa panik jeung cemah jeung bisa motivasi ameh teu sieun ka tantangan anu aya di hareupna. Motivasi ieu sifat na umum, nyaeta bisa motivasi jelema keur aneh teu sieunan ngahadapan tantangan hirup anu pastina gede di hareupna. Magfaat mangfaat anu kaitanna kana mental ieu anu bisa pisan ngajieun jelema bakal leuwih siap kahareupna keur ngalakonan hirup sifat sifat ieu teh bisa di jadikeun bekel komo lamun geus di biasakeuun keur leutik.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4125", "text": "Dina rukun islam anu kalima aya nu ngarana percaya ka hari akhir atawa hari kiamat. Urang salaku umat islam yakin yen hari kiamat teh bakal datang dina poe jumaah, tapi iraha eta tanggal sabaraha bulan sabaraha jeung tahun sabaraha eweuh sahiji mahluk anu apal. Nabi Muhammad oge teu di bejaan ku Allah jadi murni yen ngan Allah SWT anu apal iraha datangna poe kiamat. Tapi urang geus di bejaan yen kiamat pasti datang jeung geus di bere sababaraha tanda tandana. Tanda kiamat deuket ges datang nyaeta matahari datangna ti belah kulon, dunya geus poek jeung datangna dajjal. Kiamat bakal datang yen dimana umat manusa geus eweh anu nyembah ka gusti Allah geus loba karusakan di bumi geus eweh nu sholat jeung ngajalankeun parentah Allah. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5405", "text": "Unggal subuh, pasti we pun bapak ngalaksanakeun sholat subuh berjamaah di Masjid. Samemeh subuh, jam satengah opatan, bapak tos ka masjid kangge ngagugahkeun masyarakat lewat speaker masjid. Biasana bapak pupujian bari ngantosan waktos subuh, jeung datangna para jamaah. Mun tos waktu subuh, bapak langsung adzan subuh, tuluy ngalaksanakeun sholat subuh berjamaah di masjid. Beres ti masjid, bapak sok langsung gentos acuk tuluy olahraga. Beres olahraga nembe sarapan tuluy angkat ngajar ka sakolaan. Bapak bngah ngajalankeun kabiasaan ieu, sabab kautamaan sholat subuh berjamaah teh sae pisan kangge aspek rezeki jeung kasehatan. Barangsaha nu ngalaksanakeun dua rokaat sholat sunah samemeh subuh, maka pahalana kakayaan saisi dunia dilimpahkeun ka anjeunna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4570", "text": "Dina games Hay Day lamun tingkat level games na naek, pamaén tiasa muka fitur lingkungan, mancing , pertambangan, ngatur kota, parahu walungan, jeung sajabana. Grup pamaén tiasa ngabentuk lingkungan dimana aranjeunna tiasa silih mantuan dina permainan, sareng bersaing dina derby sareng lingkungan anu sanés. Salian ti tiasa berinteraksi sareng pamaén sanés ngalangkungan lingkungan éta, Hay Day ogé nyayogikeun fitur dimana pamaén tiasa ngiklankeun barang dagangan di toko sisi jalan. Lamun urang muka hiji iklan jeung hayang meuli hiji hal dina iklan, pamaén bakal dibawa nganjang ka tegalan pamaén anu nyieun iklan. Teras ku kunjungan ieu pamaén tiasa silih tambahkeun salaku réréncangan sareng ngabantosan ngeusian kargo parahu walungan atanapi pepelakan cai.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4734", "text": "Ceuk saha yen lamun hayang meunagkeun panghasilan urang kudu di gawe di kantor atawa di pabrik? Neangan panghasilan teh bisa dimana wae komo di jaman digital siga ayeuna. Urang bisa di gawe meunangkeun pagawean tuluy panghasilan anu teu eleh jeung anu di gawe di kantoran atawa pabrik padahal urang teu kamana mana cicing di imah. Ieu teh hal hal anu ayeuna biasa di pigawe ku ibu ibu abu bisa tetep ngahasilkeun duit bari ngasuh budak. Cara ieu nyaeta jualan, jualan teh bisa naon wae rupa rupa bisa jualan kana barang barang saperti baju, alat rumah tangga, maenan budak nepi ka jualeun dahareun ngawarung hareupeun imah.23.kenapa jualan dari rumah. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5833", "text": "Salian hape anyar, hape bekas atawa second ge loba diperjualbelikeun. Sabab kabutuhan mendesak jeung kaayaan finansial nu cukupna kana hape second, jadi kapeserna hape second, sanes nu anyar. Tah, mun meser hape second teh kedah paham heula kana hal software hape jeung spesifikasina, ulah nepi ka zonk. Kudu paham kana spesifikasi hape jeung minus hapena, supaya bisa nyasuaikeun jeung kabutuhan. Siapkeun trik ngecek hape second, jiga ningali ketahanan batrena, spesifikasi nu ori, jeung sajabana. Tong poho oge tanyakeun kaaslian barangna, ulah nepi ka meunang barang anu geus diotak-atik komo dikurangan spesifikasina mah. Yuk sing taliti dina meuli hape second, ulah nepi ka rugi sorangan!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6624", "text": "Basa jalan-jalan ka mol kanggo nonton di bioskop, abdi sareng rerencangan meser minuman heula ka KFC, tapi lantaran teu gaduh artos seeur abdi ngan meser minuman lemonico anu pangawisna ngan lima rebu tos sareng pajakna, abdi biasana sok mesen minumal cola anu nganggo es krim, tapi ayeuna mah abdi langkung resep minuman lemonico lantaran rasana unik, aya rasa amis, gurih sareng asin lantaran dina minumanna dicampurkeun uyah. Mesen minuman di KFC beda pisan jeung mesen minuman di Richeese Factory. Abdi mesen minuman di Richeese kedah ngantosan heula nepi ka sapuluh menitanditambih pangaos minumanna oge awis, di KFC mah ngan ngantosan tilu menitan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6535", "text": "Salah sahiji budaya masyarakat desa nu masih aya nepi ka ayeuna teh nyaeta gotong royong. Dina sagala kondisi jeung situasi ge pasti we ngahalkeun kana gotong royong mah. Mun aya nu rek hajatan atawa rek syukuran teh sok silih bantuan jeung silih dukung ngarojong acarana. Mun aya pesta rakyat atawa pesta umum ge sok langsung digawean babarengan. Tuluy oge dina ngajaga kaberesihan sakabeh lingkungan desa teh dilakukeun babarengan, ku cara gotong royong. Mantak kakulawargaan na ge leuwih solid tibatan orang kota, da nanaon na ge sok dilakukeun ku cara babarengan. Gotong royong oge sok timbul dina aktivitas sapopoe, tinu hal leutik nepi ka hal gede.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1600", "text": "Urang ulah fokus teuing kanu hal nu nyieun urang stres. Mun urang stres ku sabab pagawean, euweuh salahna da urang mohokeun pagawean sakeudeung. Lantaran beban jeung target pagawean nu mindeng nyieun jelema jadi stres. Coba teangan hiburan nu bisa nyieun pikiran urang jeung tanaga urang balik deui pulih, urang bisa ngalakukeun maen game, maraton nongton film series anu geus katinggaleun sababaraha episode, atawa mun boga sato piaraan siga ucing, bisa oge ulin jeung manehna. Teu mikiran pagawean sakeudeung mah lain hal dosa jeung lepas tina tanggung waler, tapi bentuk urang nyaah kana pikiran jeung awak sorangan. Nu penting mun geus teu stres urang kudu hudang deui bari sumanget.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "163", "text": "Liburan oge bisa kanu deukeut, biasana urang ngajak babaturan panggih di coffe shop nu aya di Kota Bandung atawa Cimahi. Lamun ngajakanna sok ngadadak, ngameh jadi, mun direncanakeun sok batal. Hiji waktu, arurang panggih di coffee shop nu aya di Cimahi waktuna sore. Nu panggih limaan, nyaeta Sutra, Raihani, Alfin, jeung istrina. Urang datang tiheula jeung Raihani, samemehna ngajemput heula di stasiun Cimahi. Kaayaanna geus hujan, jadi jalanan rada baseuh jeung ceret. Teu lila, Alfin jeung istrina oge datang, make jas hujan soalna kahujanan ti Lembang keneh. Sanajan make jas hujan, tapi baju jeung calana na milu baseuh, ku bakat gede hujanna. Di coffe shop eta, dipangpang foto-foto atlet jeung artis anu asalna ti Cimahi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "827", "text": "Kanlavut Vitidsarn nyaeta salah sahiji atlet bulu tangkis asal Thailand anu maen di kategori single. Kanlavut Vitidsarn meunangkeun kajuaraan India Open 2023 saenggeus ngelehkeun unggulan asal Denmark, Viktor Axelsen di New Delhi. Awalna mah teu ngafavoritkeun teuing atlet ieu, soalna maenna biasa-biasa wae. Tapi pas di final India Open mah, hade pisan maenna komo deui bisa ngelehkeun nu rangking 1 dunia. Ditambah deui maenna teh kalem, hampir euweuh ekspresi pisan boh eta mun meunang poin atawa eleh poin. Komo deui usiana masih keneh ngora, nyaeta karek umur 21 taun. Tangtuna salajengna mah boga harepan besar ka atlet ieu meh tuluy maju jeung bersinar di turnamen-turnamen kahareupna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1896", "text": "Abdi hoyong janten koki atanapi koki, janten koki sigana bakal bagja pisan. Sagedengeun ti eta,. Kuring boga cita-cita jadi koki sangkan kadaharan Indonesia bisa kasohor di mancanagara. Abdi hoyong nunjukkeun yén kadaharan Indonésia anu ngeunah sareng rupa-rupa. Pikeun ngahontal cita-cita kuring janten koki, kuring kedah kreatif sareng taliti ngeunaan resep. Mun kuring teu ati-ati mangka dahareun moal raos rasana. Abdi resep pisan nalika dipénta ku batur ngadamel kueh. Abdi kantos ngadamel kueh kukus pandan sareng ambu di restoran. Pesenna loba, dua koki oge sesah masak sabab unggal nyieun masakan sok loba pesenan nu asup terus-terusan nu matak kasusah. réstoran sibuk nyiapkeun masakan jeung kue, sok loba pesenan nu datang kabina-bina nu matak kasusah bari ogé ménta mantuan kasaha deui pikeun mantuan the masak sabab kawalahan, alatan réstoran sibuk.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9409", "text": "Unggal lebaran, kulawarga simkuring masak loba kusabab imah kuring jadi tempat ngumpulna dulur-dulur nu mudik ka Bandung. Indung kuring biasana masak kupat, kari hayam jeung tumpeng. Indung kuring biasana ngamimitian masak ti shubuh keneh, sapoe saacan lebaran. Jadi, indung kuring ti subuh geus balanja sagala rupa bahan-bahan anu rek dijieun asakan lebaran. Timimiti cangkang kupat, beas, apu, hayam, kalapa, endog jeung sakabeh bahan anu bakal dijieun asakan. Saberes eta, indung kuring langsung ngisikan beas, tuluy diapuan keur jadi eusi cangkang kupat eta. Beres sakabehna dieusian, tuluy kupat dikulub salila 5 jam. Sabari ngadagoan kupat eta asak, indung kuring tuluy nyieunan bumbu jang kari jeung tumpeng. Saberesna bumbu asak, tuluy indung kuring ngagoreng hayam. Beres bumbu jeung hayam, biasana indung kuring ngamimitian masak kari jeung tumpeng peutingna, basa takbiran ambeh asakna subuh, terus dipake sarapan samemeh sholat idul fitri jeung dipake nyuguhan keur dulur-dulur jeung tatangga nu halal bi halal ka imah kuring.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9052", "text": "Cireng alias aci goreng nyaéta jajanan anu wangun jeung rasa anu has anu geus dipikawanoh sarta dipikaresep ku ampir sakumna masarakat Indonésia. Cireng anu gurih tiasa ngajantenkeun saha waé kacanduan, ditambah ku sambel anu ngiringan ieu jajanan ti daérah Sunda. Cireng sorangan dijieun ku cara ngagoreng adonan kalayan bahan utama tipung tapioka atawa katelah pati. Dina kamekaranana sorangan, cireng geus ngalaman loba inovasi dina hal rasa jeung wangun. Dimimitian ti rujak sambel cireng, banyur cireng, sangu cireng, nepi ka cireng isian anu toppingna rupa-rupa saperti hayam, sosis, bakso, keju, jeung sajabana. Lamun indung kuring di imah, manehna resep nyieun cireng ku sangu anu geus ditumbuk samemehna, manehna nyebutkeun supaya sangu di imah heunteu kapiceun, sabab di kulawarga kuring teu resep ngadahar sangu anu geus tiis tur garing.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5762", "text": "Mun masih keneh jadi siswa di sakola mah sabisa mungkin maksimalkeun kamampuan ku cara ngiluan ekskul atawa organisasi nu aya di sakola. Leuwih hade mun miluan ekskulna nepi ka serius tuluy boga kamampuan nu mumpuni jang ngiluan perlombaan, komo mun nepi ka meunang lomba mah. Jadi kamampuan urang nu dikembangkeun teh aya hasilna, lain saukur pangalaman hungkul. Biasana, ekskul nu loba ngahasilkeun acis atawa prestasi teh nyaeta ekskul olahraga jiga voli, futsal, jeunh sajabana. Mun geus bisa nguasai kamampuan, bakal dikirim jang ngiluan lomba, mun geus kitu mah oeluang meunang hasilna ge gede. Jadi, bari sakola urang ge bisa meunang prestasi, pangalaman, jeung hasil nu bisa dipetik.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4133", "text": "Lebaran dina agama islam aya dua, nyaeta kahiji Idul fitri anu biasa ku urang di sebut lebaran biasa hari kameunagan saenggeus puasa ramadhan 30 poe jeung hiji deui nyaeta idul adha atawa qurban jeung aya nu sok nyebut lebaran sapi. Di sebut lebaran sapi kusabab dina idul qurban urang di sarankeun qurban hewan ternak bisa domba, munding jeung sapi lamun di indonesia lamun di arab biasana onta. Hewan hewan anu di qurban keun lamun di agama islam di percaya bisa jadi kendaraan urang ngke di akherat lamun ngaliwatan sasak sirotolmustaqim. Daging daging hasil ti qurban di bagikeun ka jelema anu teu mampu, anu biasan tara ngadahar daging jeung umumna ayeuna mah di bagi rata ka sakabeh warga di lingkungan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4215", "text": "Indonesia henteu ngan beunghar ku rupa-rupa basa, suku, kadaharan jeung tarian tapi oge warisan budaya. Salah sahijina nyaeta etu carita rahayatna anu geus diwariskeun sacara lisan ku kolot, nini, jeung guru di sakola. Sacara umum, carita rahayat teh anonim atawa pangarangna teu dipikanyaho. Carita rahayat mangrupa bagian nu teu bisa dipisahkeun tina kabudayaan Indonesia. ampir sakabeh wewengkon di Indonesia miboga carita rahayat na sorangan.Eweuh anu sapal saha mimitina anu ngajieun carita rahayat kitu komo anu carita rahayat anu aya hubungan na jeung legenda atawa asal usul misalkeun asal usul sangkuriang anu cenah kusabab najong pahahu matak jadi gunung tangkuban parahu. Carita carita rahayat anu model kawas kieu ceunah biasana ka wangun ku kapercayaan kapercayaan kolot jama baheula bisa jadi pikeun nyingsieunan budak atawa nyokot amanata atawa pituduh positif pikeun contoh dina kahirupan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5892", "text": "Mun gaduh kasibukan dina padamelan terus teu aya waktos kangge beberesih di imah, ayeuna mah gampil. Kantun meser robot nu bisa ngabantuan dina beberesih imah. Ayeuna mah seueur rupa robot nu siap jadi asisten dina beberesih imah. Jadi, meskipun teu gaduh loba waktos jang beberesih, tinggal aktifkeun wae robot cleaner na, ke ge beresih nyalira. Teu kudu ditungguan atawa dikontrol, sabab tos otomatis bisa ngalakukeun tugas kaberesihan. Jadi, teu aya alasan deui jang teu beberesih. Yuk budayakeun hirup beresih, najan make robot ge! Supaya hirupna beresih jeung ngeunaheun. Komo ku robot cleaner mah kan leuwih efektif jeung efisien dina ngalakukeun pagaweanna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3045", "text": "Kerjaan jadi kantoran, sidik henteuna, asupkeun database dina web internal pausahaan. Lila-lila robah jadi absen dina aplikasi heunteu di hp, mun absen langsung di update otomatis di grup WA bareng jeung kantor koordinat Google Maps (jadi nu teu di kantor teu bisa absen ngamanipulasi. lokasi. Datang jam 6 isuk-isuk, bisa balik jam 3. Datang jam 7 bisa balik jam 4. Datang jam 8 jeung balik jam 5. Paling anyar datang jam 12, sésana teu diitung datang sarta ogé anjeun meunang' teu tiasa absen upami langkung ti jam 12 siang. Kantor kuring baheulana mangrupikeun kantor tukang aplikasi Android anu damel sareng operator sélulér milik nagara sareng ogé sering damel sareng Kementrian. Lamun Sadérék dina program gawé bareng jeung dines, pasamoan bakal dipindahkeun ka hotél. Dinten ieu hotél, poé saterusna hotél éta, jsb. Senang tiasa tuang sareng nginum saloba anjeun resep di réstoran hotél sareng naon anu disayogikeun di ruang rapat, sareng kéngingkeun artos saku ogé. Kusabab kantor developer, bisa pakéan bebas, hayang kaos oblong atawa naon, datang maké sendal jepit teuing bodo, nu penting rapih tur sopan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5330", "text": "Tilu pendakwah milenial nu sering dijadikeun panutan generasi milenial. Nu kahiji nyaeta Ustan Hanan Attaki. Anjeunna seueur nyampaikeun dakwah tentang kahidupan nu deukeut sareng generasi milenial. Salian eta, aktif oge dina gerakan Pemuda Hijrah nu ngajadikeun seueur pamuda hijrah sasuai jeung nu diajareunna. Nu kadua nyaeta Ustadz Handy Bonny. Anjeunna sering dakwah diselingan ku guyonan, teras materi na ge sok nyangkut kana kahirupan remaja. Penapilanna nu nyentrik khas generasi milenial oge jadi daya tarik ti ieu pendakwah. Nu katilu nyaeta Habib Jafar. Anjeunna sok nyampaikeun materi dakwah melalui podcast di Youtube. Anjeunna sok ngajawab pertanyaan ku awaban nu saderhana jadi mudah dipahami ku jamaahna. Tuluy oge gayana nu nyentrik ngajadikeun anjeunna disebat ustadz milenial.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "961", "text": "Dispenser nyaeta salah sahiji alat elektronik nu bisa manaskeun cai jeung niiskeun cai sabab dijerona aya pemanas, pemanas ieu nu fungsina bisa manaskeun cai. Biasana dispenser digunakeun jang ngagolakeun cai. Tapi ayeuna mah aya dispenser jang manaskeun cai oge niiskeun cai. Mun jang manaskeun cai biasana mibogaan daya sakitar 200 nepikeun ka 300 watt. Cai nu ngalir atawa kaluar ngaliwatan keran warna beureum ngahasilkeun hiji tekanan. Sedengkeun cai nu tiis kaluar dina keran nu warnana biru. Aya sababaraha dispenser, dispenser biasa teu mibogaan jang manaskeun atawa niiskeun cai. Lamun dispenser nu bisa niiskeun jeung manaskeun cai mah eta ngaranna dispenser hot and cold.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "817", "text": "Cara ngalakukeun plank anu bener. Nu kahiji mimitian plank ku posisi nangkuban, leungeun handap jeung juru ramo suku di lantai, siku di handap taktak, leungeun handap nyanghareup ka hareup, mastaka rileks jeung titinggalian ka lantai. Nu kadua angkat awak ngagunakeun otot beuteung, tarik bujak ka arah tulang tukang, jaga awak ku posisi dina ceuli nepikeun ka ramo suku bisa hiji garis lururs. Pastikeun taktak turun, teu nempel ka ceuli. Nu katilu tahan posisi kieu salila 10 detik, karek tangkubkeun awak ka lantai. Tuluy ulang-ulang sababaraha kali. Lamun geus biasa, tahan posisi plank dina waktu 30, 45, nepikeun ka 60 detik.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2658", "text": "Popularitas badminton di Denmark sorangan teu bisa dipisahkeun tina tradisi jeung sajarah panjang badminton di Denmark. Taun 1920-30-an, sakaligus badminton asup ka Dénmark, loba balai anu diwangun di kota-kota leutik, balai ieu tuluy dipaké ku jalma-jalma pikeun maén bal jeung badminton. Nepi ka laun-laun badminton jadi salah sahiji olahraga anu cukup populer. Dénmark ogé salah sahiji nagara munggaran di Éropa anu ngembangkeun badminton serius, sahingga tungtungna sigana kawas dina alur, kompetisi muncul, lahirna atlit kuat, klub, puseur latihan jeung ngembangkeun organisasi. Popularitas badminton di Denmark sorangan teu bisa dipisahkeun tina tradisi jeung sajarah panjang badminton di Denmark. Taun 1920-30-an, sakaligus badminton asup ka Dénmark, loba balai anu diwangun di kota-kota leutik, balai ieu tuluy dipaké ku jalma-jalma pikeun maén bal jeung badminton. Nepi ka laun-laun badminton jadi salah sahiji olahraga anu cukup populer.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1850", "text": "Abdi bisa disebut rada sering tuang di restoran kalayan konsep all you can eat, tapi sering henteu hartosna unggal minggu atanapi unggal bulan sacara rutin, henteu sabab biasana gumantung kana anu diondang naha tiasa atanapi henteu. Bisa disebutkeun yen kuring mindeng dahar di réstoran all You can Eat, salah sahiji kaunggulan sakabeh nu bisa dahar réstoran teh nyaeta bisa disebutkeun pilihan menu pikeun prasmanan jeung harga mayar harga teh imbang. teras nguntungkeun pikeun konsumén, teuing enya. Utamana pikeun jalma anu resep nyobian seueur jinis kadaharan, sareng jalma anu seueur tuang. Lamun dibeuli misah di tempat séjén éta bakal leuwih mahal, tapi dahar pisan bisa dahar, bakal langkung mirah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6481", "text": "Tilu pentingna nyiapkeun dana darurat dina kahirupan. Nu kahiji nyaeta sebagai bentuk tabungan jang ngahadapi masa sulit nu teu bisa diprediksi jeung datangna teu bisa diduga. Tah, sabab teu bisa diprediksi jeung teu bisa diduga eta teh jadi hal nu kudu diantisipasi ti ayeuna. Nu kadua nyaeta supaya ngahindari hutang. Mun keur darurat teh biasana sok ngahutang mun teu boga dana darurat mah. Mantakna, penting pisan nabung dana darurat supaya teu kungsi ngahutang atawa nganjuk ka batur. Nu katilu nyaeta jang kaperluan nu teu terduga. Dana darurat bisa ige dialokasikeun jang kaperluan nu teu terduga, misalna aya barang nu rusak padahal keur dipake pisan, tah bisa gunakeun dana darurat supaya teu nunda deui.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "812", "text": "Wall sit mangrupakeun olahraga nu dilakukeun ku cara diuk di deukeut tembok tuluy nempelkeun tonggong kana tembok jeung ngabentuk siku di bagian cangkeng jeung tuur. Posisi ieu persis siga orang nu keur diuk tapi teu ngagunakeun korsi atawa bangku. Pas keur ngalakukeun ieu posisi suku kudu rata jeung kabuka salega taktak. Beuteung ditahan jang ngawangun otot beuteung jeung cangkeng sarta tuur nu ngabentuk sudut 90 derajat. Olahraga ieu bisa dilakukeun 20 nepikeun ka 60 detik sakali, diselangan ku waktu istirahat sakitar 30 detik. Tuluy dilakukeun deui nepikeun ka cukup. Sairing waktu mah bisa oge nambahan 5 detik unggal sakali sesina.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9355", "text": "Hiji studi anu dilakukeun ku tim peneliti ti Universitas Florida sarta Wayne State University manggihan yén saloba 96 persén tina total pamilon milih ngalakukeun ibadah salaku cara maranéhna nungkulan stress. Ibadah mangrupikeun waktos dimana urang nyambung sareng Anu Nyiptakeun. Kagiatan ieu saterusna mangaruhan kana katengtreman batin anu satuluyna ngajadikeun haté jeung pikiran leuwih rileks sarta otomatis, rasa setrés langsung leungit. Sajaba ti éta, ibadah ogé mangpaat pikeun ngaluarkeun énergi positip dina diri, nu pohara penting dina manajemen stress. Ibadah mangrupikeun cara anu pangsaéna pikeun ngaleungitkeun setrés. Ibadah mawa diri kana kaayaan euweuh, atawa jauh tina gelar harta, jabatan, gelar, jeung sajabana. Nalika sujud ka Gusti, manusa ngan ukur hamba-hamba anu henteu ngagaduhan kakuatan sareng ngan ukur ngarepkeun pitulung-Na pikeun salamet dina kahirupan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5908", "text": "Kahadiran sapeda listrik jadi salah sahiji alternatif berkendara nu santai jeung hemat oge sehat. Pasalna, sapeda listrik teh bisa ngagunakeun mode manual jiga sapeda biasa nu digowes, bisa oge make mode otomatis nu tinggal di gas. Sapeda listrik teh kabilang masih jarang digunakeun ku masyarakat, sabab masih aya kandaraan motor nu dipandang leuwih efisien dina sagala hal. Padahal, sapeda listrik teh boga dampa positif, jiga ngurangan polusi, ngahemat pengeluaran, teu ngahasilkeun emisi tina bahan bakar, jeung sajabana. Dina seueur nu make na ge cenderung di kota besar, mun di kapung mah masih keneh jarang nu ngagunakeun, sabab minim sosialisasi tea janten teu ngarti perkembangan teknologi.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7101", "text": "Massa dina basa Latin \"Missa\" anu hartosna dikirim. Dicutat tina skripsi anu judulna Ngabakti kana Sakramen Rahayu di Luar Misa Nurutkeun Encyclical Ecclesia De Eucharistia Pasal 25 karya Scholastic Avrikrinus taun 2018, dina paguneman sapopoe, kecap misa teh hartina nyaeta Upacara Ekaristi. Tapi misa asalna tina rumus panutup Perayaan Ekaristi, dina basa Latin Ite, Missa Est! nu hartina indit, anjeun dikirim! Dina harti, pas nutup perayaan Ekaristi umat dibubarkeun ku mawa berkah ti Allah sarta maranehanana dikirim pikeun balik deui ka kahirupan sapopoe. Misa atawa perayaan Ekaristi gaduh tata cara palaksanaan anu disusun jeung diberlakukeun pikeun sakumna gereja mimitian ti bubuka, Liturgi Firman, Liturgi Eucharistic, Komuni jeung nutup.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5408", "text": "Gereja nyaeta tempat ibadah umat kristiani. Di Indonesia, gereja bisa dipanggihan di mana wae sabab jumlahna loba. Tapi nu menarik nyaeta di Indonesia aya gereja tertua sa Asia nu dibangun taun 1695 make material ti abad ka 17, nyaeta gereja Sion. Gereja Sion bertempat di Jakarta Barat. Gereja jadi tempat umat Kristiani ngayakeun penyembahan atawa kebaktian. Biasana kebaktian gereja diayakeun unggal poe Minggu isuk-isuk jeung hari raya umat Kristen. Unggal kota di Indonesia ngagaduhan bangunan gereja jang memfasilitasi umat Kristiani dina sarana ibadah. Bangunan gereja biasana sok dibere tanda salib di hareupeun atawa di luhureun bangunanna. Hal ieu nunjukkeun simbol identitas agama Kristen.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5754", "text": "Basa nuju sakola SMP keneh, Indi ngiringan ekskul badminton. Indi ngiringan ekskul badminton salila dua taun, nepi ka lulus sakola. Unggal latihan ekskul teh pasti we inditna jeung Rina, babaturan deukeutna. Hiji poe, Indi rek indit ka sakola jang latihan badminton, eh di tengah jalan teh ban motorna bocor, neangan tukang tambal ban jarauh, akhirna Indi nungguan babaturanna neang jang nulungan. Indi eureun nungguan banna ditambal teh sakira sajam. Giliran rek indit ka sakola, batur nu saekskul teh geus maju baralik. Ah Indi meuni keuheuleun pisan sabab harita teu bisa latihan. Isukna deui mah Indi rek indit leuwih siget ti biasana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9441", "text": "Ngadahar kerang bisa disebutkeun sehat pikeun awak sabab kerang ngandung loba gizi anu alus pikeun kasehatan. Ieu kusabab kerang ngandung protein anu sae pikeun awak. Protein nyaeta salah sahiji zat gizi anu dibutuhkeun pikeun ngawangun, ngalereskeun, sareng ngajaga jaringan awak. Protein oge ngabantosan ningkatkeun metabolisme awak sareng ngirangan resiko obesitas. Kerang oge ngandung omega-3 anu loba. Omega-3 nyaeta asam lemak teu jenuh anu tiasa ngirangan resiko panyakit jantung, stroke sareng diabetes. Omega-3 ogé tiasa ngabantosan ngirangan peradangan sareng ningkatkeun kasehatan otak. Ku kituna, bisa dicindekkeun yen dahar kerang teh sehat pikeun awak sabab ngandung loba gizi anu mangpaat pikeun kasehatan, kayaning protein, omega-3, vitamin sarta mineral.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4942", "text": "Upami aya waktu senggang, abdi sok ngadamel pizza di bumi. Cara ngadamel na gampil jeung teu kudu riweuh sagala rupa. Bahan utamana nyaeta tipung tarigu, ragi, jeung saos. Pizza biasana make topping sosis jeung bawang bombay nu digalokeun jeung saos cabe. Topping na bisa oge make keju mozarella atawa keju parud, kumaha salera we eta mah. Daripada meser kamahal-mahal tuluy teu kabagean sarerea, mending urang ngadamel wae di imah yuk! tutorial na seueur na google tinggal urang daek neangan na we. Rasana mah teu eleh ku pizza nu aya di PHD atawa Domino's ge. Jadi, yuk ah sasarengan ngahemat acis ku ngadamel pizza nyalira tibatan meser!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2663", "text": "Atlét séjén anu berdarah Indonésia anu dina Olimpiade ieu nguatkeun tim nagara séjén. Manéhna nyaéta Setyana Daniella Florensia Mapasa atawa leuwih katelah Setyana Mapasa. Pebulutaski, 25 taun, ngawakilan Australia dina sektor ganda awéwé sareng pasanganna Gronya Somerville.\r\n\r\nAtlét anu biasa disebut Tyana ieu lahir di Kawangkoan, Manado, 15 Agustus 1995. Nalika rumaja, Tyana jadi salah sahiji pamaén anu diprediksi bakal préstasi dina mangsa nu bakal datang. Taun 2013, anjeunna ngawakilan Indonésia dina Kejuaraan Junior Dunia anu lumangsung di Bangkok. Waktu éta, Tyana junun mawa imah medali pérak.\r\n\r\nSanggeus meunang éta acara, Setyana Mapasa tuluy narima tawaran ti tim pemandu Australia pikeun ngawakilan Nagara Kangguru. Anjeunna teras nampi tawaran sareng milih ngalih ti taun 2013. Samentawis taun 2014, Setyana dinaturalisasi supados janten warga nagara Australia.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9045", "text": "Sisi négatip damel di kantor anu katilu nyaéta kamungkinan ayana hubungan négatip sareng kolega di kantor. Kalayan tugas, tanggung jawab, sareng jabatan anu anjeun gaduh, tangtosna, anjeun bakal teras damel sareng jalma anu sami unggal dintenna. Naha anjeun sadar atanapi henteu, ieu tiasa ngajantenkeun anjeun bosen sareng rekan kerja anjeun. Papanggih jalma anu sarua, kitu ogé ningali jalma tangtu dina tanggal nu tangtu bisa jadi hiji rutinitas anu pikaboseneun. Leuwih ti éta, komo lamun aya kompetisi tersembunyi teu sehat, nempatkeun silih handap, atawa nyieun kagorengan di hareup atasan. Upami anjeun henteu saé dina mawa diri sareng berinteraksi sareng jalma sanés, hubungan anjeun sareng jalma-jalma di kantor tiasa rusak, sareng padamelan kantor henteu tiasa pikaresepeun deui.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2033", "text": "Seueur jalma nganggap yén hobi mangrupikeun hiburan. Tapi sagigireun ti éta, hobi ogé mangpaat pikeun sagala rupa hal, boh pikeun kaséhatan jasmani boh rohani manusa. Salian ti pamakéan sorangan, hobi ogé bisa ngaronjatkeun solidaritas diantara sasama hobi. Salaku tambahan, numutkeun panaliti, gaduh hobi tiasa ningkatkeun kekebalan sareng ngajaga awak dina kaayaan prima. Mangpaat hobi anu anjeun tiasa kéngingkeun: 1. Méré waktos istirahat sakedap. Naha anjeun resep bosen dina sagala jinis padamelan anu monoton sareng diulang-ulang? Nya, hobi bakal masihan waktos istirahat tina padamelan anu teu aya tungtungna. Grameds tiasa ngecas énergi sareng motivasi anjeun ku ngalakukeun hobi anu anjeun pikahoyong sareng pendak sareng jalma sanés anu gaduh hobi anu sami sareng anjeun. 2. Hobi memicu jinis setrés anu séhat, langkung sibuk anjeun sareng jenuh anu anjeun hadapi ayeuna, langkung luhur tingkat setrés anjeun bakal karasa. Sibuk diri ku hobi tiasa ngajantenkeun anjeun telat damel, tapi anjeun moal ngarasa setrés sabab henteu aya tungtutan. Sanaos anjeun bakal sibuk, jinis setrés anu séhat bakal ngajantenkeun anjeun langkung produktif sareng énergi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6726", "text": "Lamun ulin ka daerah Sindanglaya luhur biasana urang datang ka Oray Tapa. Tapi sabenerna mah aya tempat obyek wisata anu sae jang dipake kemping atawa ngan saukur popotoan. Disebut alus jang popotoan lantaran aya tangkal pinus ngajejer anu ukuran panjangna sapertos tangga, aya nu pendek, aya nu panjang. Tangkal cemara ieu tumbuh di sisi kebon anu kosong jeung luas. Di bagian tukangna oge aya kebon jagong. Tapi hanjakal di tempat ieu teu aya kamar cai anu leres anu tiasa dipake. Aliran cai na oge pareum. Janten lamun urang hoyong ka cai kedah mapah ka handap ka mushola anu aya di handap. Tempat ieu lumayan cocok kanggo kempel-kempel seeuran lantaran tempatna lumayan gede. Tapi lamun hujan teu aya tangkal nu tiasa nahan cai hujan. Di bagian handap na aya kamar leutik anu tiasa dipake ngiuhan, tapi tempatna rada kotor jeung seeur runtah. Urang oge tiasa ngawangun tenda di tengah lapang na, tapi kedah ati-ati lamun angin keur badag, tenda bisa hiber lantaran tatangkalan anu naha angin oge sakedik.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8279", "text": "Kamiyastuff nyaeta bisnis tas anu dimimitian ku ibu rumah tangga anu namina Ipah. Usaha ieu diadegkeun alatan kahayang Ipah pikeun mantuan meringankan beban kauangan kulawarga tanpa kudu ngurangan tanggung jawabna salaku ibu rumah tangga. Ipah reueus kana prestasi anu diraih dina karirna, sapertos tiasa nyiptakeun pagawean pikeun masarakat sabudeureunana ngaliwatan Kamiyastuff. Ipah ngalalakon loba bajoang basa kakara ngamimitian usaha Kamiyastuff, ti mimiti tempat produksi nu ngan hareupeun teras imahna nepi ka sakapeung sok kudu daek ngahujanan, nepi ka ngagarapna. proses bungkusan jeung ngirimkeun produk ka konsumen anu mindeng rada jauh ti imahna. Sangkan Kamiyastuff bisa leuwih dipikawanoh, ahirna Ipah mimiti nyoba ngahontal saluran digital pikeun ngical produk Kamiyastuff lantaran genah dina promosi produk.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5442", "text": "Sadaya lagu daerah pasti gaduh pesan atawa makna nu disapaikeun jang masyarakat, bisa bentukna pangajaran, papatah, jeung sajabana. Misalna dina lagu daerah Tokecang (Jawa Barat), makna pangajaran nu hendak disampaikeun nyaeta mu hirup teh ulah sok sarakah, egois, mikirkeun sorangan, komo mun nepi ka ngahak kana hak batur. Makna ieu teh berguna bisa jang ngajalani kahirupan di dunia. Kitu oge jeung lagu daerah nu judulna Ayam Den Lapeh (Sumatera Barat) nu gaduh makna imbaan supaya tong larut teuing dina kasedihan, kudu inget bahwa dibalik sedih teh aya bahagia. Salian dua eta, loba keneh lagu daerah nu maknana jero jang kahirupan. Jadi, yuk pahami makna lagu daerah supaya bisa nyokot hikmahna jang kahirupan!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7442", "text": "Chromebook oge gaduh sababaraha kakurangan dibandingkeun jeung laptop anu kedah diperhatikeun sateuacan urang milih laptop biasa atawa Chromebook. Lamun dibandingkeun jeung laptop konvensional, Chromebook hanjakalna boga kamampuan anu terbatas. Aplikasi komputer anu biasana tiasa dijalankeun dina Windows atanapi MacOS bakal sesah dipanggihan dina Chromebook. Sanajan kitu, urang masih bisa neangan alternatif sejen, contona ngagunakeun versi Android tina aplikasi anu bade dianggo. Chromebook oge moal ngijinan urang masang aplikasi ti pihak katilu sangkan ekosistemna tiasa leuwih aman jeung nyaman kanggo dipake. Sadaya aplikasi web sareng Android dina Chromebook bakal disebarkeun ngaliwatan saluran resmi Google, kalebet Chrome Web sareng Play Store di jerona.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6474", "text": "Tilu hal nu bisa dilakukeun supaya ngajaha hubungan hamonis jeung pasangan. Nu kahiji nyaeta libuan ka tempat anu asri. Unggal aya waktu luang, sempekeun liburan jeung pasangan supaya bisa nambahan rasa nyaah jeung quality time. Nu kadua nyaeta bereskeun pagawean imah babarengan, supaya bisa ningkatkeun kerjasama jeung kakompakan. Nu katilu nyaeta cobaan bere apresiasi ka pasangan masing-masing. Apresiasi teh jadi salah sahiji hal penting nu bisa ningkatkeun semangat jeung ningkatkeun kapercayaan. Tah tilu hal eta teh penting pisan dilakukeun supaya bisa ngalanggengkeun hubungan jeung pasangan, ulah nepi ka renggang komo teu sillih percaya mah. Kudu silih dukung dina sagala hal dina kahirupan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4660", "text": "Sacara gurat badagna, téknik ieu dipisahkeun kana téknik diajar \"supervised\" nya éta ngagunakeun data latihan anu ngawengku kaluaran anu dipikahoyong jeung \"unsupervised\" nyaéta ngagunakeun data latihan tanpa kaluaran anu dipikahoyong. Kecerdasan jieunan (AI) nyaéta \"langkung pinter\" sareng diajar langkung gancang kalayan langkung seueur data, sareng unggal dinten, perusahaan ngahasilkeun bahan bakar ieu pikeun ngajalankeun pembelajaran mesin sareng solusi pembelajaran jero, duanana agrégat sareng sasari tina gudang data sapertos Amazon Redshift, anu lengkep akurat ngaliwatan \"clustering\". \"kakuatan sareng Mechanical Turk, ogé ditambang sacara dinamis via Kinesis Streams. Salajengna, kalayan naékna IoT, téknologi sénsor sacara éksponénsial ningkatkeun jumlah data anu bakal dianalisis - data tina sumber sareng tempat sareng objék sareng kajadian anu saacanna ampir teu kacekel.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9498", "text": "Maen musik lain sakadar hobi anu bisa nyenangkeun hate, tapi oge bisa mere loba mangpaat pikeun kahirupan urang. Salah sahiji kauntungan utama maen musik nyaeta tiasa ngirangan setres sareng ningkatkeun kualitas kahirupan urang. Nalika urang maenkeun alat musik, otak urang ngaluarkeun endorfin anu ngabantosan ningkatkeun mood sareng ngirangan setres. Salaku tambahan, maen musik oge tiasa ningkatkeun kamampuan kognitif urang. Studi geus ditembongkeun yen barudak anu diajar maen musik condong skor unggul dina tes kamampuhan verbal jeung matematik. Nyatana, maen musik oge tiasa ngabantosan ningkatkeun kamampuan ingetan. Maen musik oge cara efektif pikeun ngamekarkeun kaahlian sosial jeung kaahlian interaksi. Lamun urang maenkeun musik babarengan jeung batur, urang diajar kerja sama jeung ngarti masing-masing jelema. Janten, upami anjeun gaduh waktos luang, pertimbangkeun ngeusian waktos eta ku maen musik.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "149", "text": "Kereta Api jadi salah sahiji transportasi jang wisatawan ti Bandung ka Jakarta. Lamun naek kereta api, durasi perjalanan ti Bandung ka Ibu Kota sakitar 2,5 nepika 3 jam. Kereta Bandung - Jakarta, bisa naek ti Stasiun Bandung turunna di Stasiun Gambir, atawa bisa oge naek ti Stasiun Kiaracondong turunna di Stasiun Pasar Senen. Aya dua jenis kelas kanggo kereta Bandung - Jakarta, nyaeta ekonomi jeung eksekutif nu bisa dipilih calon penumpang. Lamun kereta eksekutif Bandung - Jakarta jadwalna kawas kieu: berangkatna jam 05.00 - 07.45 WIB, 06.10 - 08.50 WIB, 08.50 - 11.55 WIB, 11.10 - 14.14 WIB, 15.15 - 17.55 WIB, 19.20 - 22.06 WIB. Harga eksekutif nyaeta Rp 145.000.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5386", "text": "Sedekah jadi salah sahiji ajaran nu babari diinget jeung dilakukeun. Sedekah teh ngandung seueur kautamaan, salah sahijina nyaeta nutup kaburukan-kaburukan nu bakal datang, sapertos nu dicaturkeun dina hadist riwayat Thabrani yen \"sedekah teh nutup 70 panto kaburukan\". Jadi, ngalakukeun sedekah teh sabenerna mah hakekatna jang ngalindungi diri urang sorangan tina hal kaburukan. Sedekah teh bisa dilakukeun iraha wae, di mana wae, jeung kumaha wae. Teu kedah wae barang, tapi tiasa oge sedekah elmu atanapi kamampuan. Sedekah ge tiasa jadi media jang nguji kakhlasan urang dina ngalaukeun sesuatu, supaya urang kabiasaan ngalaksanakeun ikhlas. Subhannallah pisan balesan jeung kautamaan tina ieu ibadah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4608", "text": "Mesin cuci nyaéta pakakas anu fungsina pikeun nyeuseuh baju atawa lawon pikeun kaperluan rumah tangga atawa pikeun kaperluan usaha, dina ngagunakeun mesin ieu pohara mantuan pikeun ngaréngsékeun pagawéan ibu rumah tangga sabab nalika nyeuseuh maké mesin, ieu ibu-ibu bisa ngalaksanakeun kagiatan séjén tanpa kaganggu. ku kagiatan ngumbah. Numutkeun panalungtikan di 1886 awéwé fetched cai dalapan nepi ka sapuluh kali unggal poé ti pompa cai, sumur, atawa spring. Prosés nyeuseuh baju téh capé jeung loba waktu, dimimitian ku ngarendam baju terus digosok hiji-hiji, sanggeus éta baju bakal dikumbah ku cai anyar, sarta tahap paling capé nyaéta wringing baju kaluar ku leungeun jeung lajeng garing aranjeunna dina panonpoé panas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8049", "text": "Pull up bar tiasa dianggo kanggo latihan kakiatan leungeun. Aya nu gaduh pendapat make dumbbell leuwih karasa parubahan dina otot leungeunna, nanging latihan leungeun make pull up bar gaduh seueur kaunggulan. Upami ditingali tina pangaosna latihan make pull up bar leuwih mirah kusabab pangaos alat na saleresna leuwih mirah dipasaran dibandingkeun dumbbell. Ngalatih leungeun make pull up bar tiasa ngajieun otot urang saimbang kusabab dina gerakan pull up sanes otot leungeun hungkul anu kalatih, nanging otot-otot nu sejen oge ngilu ka latih, sapertos otot tak-tak, dada, sareng tonggong. Kusabab kaunggulan-kaunggulanna pull up bar leuwih hade upami dianggo pikeun ngalatih otot leungeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7393", "text": "Piala Dunia FIFA (Basa Inggris: FIFA World Cup) atawa mineng disebut Piala Dunia, nyaeta hiji kompetisi sepak bola internasional anu dilombakeun ku tim nasional lalaki senior anggota Federasi Sepak Bola Internasional (Federation Internationale de Football Association, FIFA), badan anu ngatur sepak bola dunya. Kajuaraan ieu dilaksanakeun unggal opat taun ti saprak turnamen kahiji taun 1930, iwal ti taun 1942 jeung 1946, nu teu dilaksanakeun lantaran Perang Dunya II. Juara Piala Dunia ayeuna nyaeta Argentina, anu meunang turnamen 2022 di Qatar. Piala Dunya mangrupa salah sahiji kompetisi olahraga anu paling seeur ditongton di dunya, malah luewih ti nu lalajo Olimpiade; diperkirakeun 715,1 juta jalma di sakuliah dunya lalajo pertandingan final Piala Dunia FIFA 2006 anu diayakeun di Jerman.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9589", "text": "Jajanan Kalibata. Lokasina aya di deukeut Stasiun Kalibata di gigir Apartemen Kalibata City, persis pisan di seberang rel kareta. Pusat jajanan di Kalibata ieu buka ti jam 4 sore nepi ka wengi sekitar jam 10 atawa jam 11-an. Didieu aya beraneka jajanan jeung kuliner, jiga bakso, seblak, ayam bakar, jeung anu sejenna. Rame diserbu wae pengunjung, boh eta pengunjung anu nembe uih damel atawa pengunjung anu emang ngahaja jajan kadinya. Lamun anjeun angkatna ti arah Manggarai, anjeun bisa naek KRL arah Bogor terus turun di Stasiun Kalibata, papah sakedik atos dugi. Lamun anjeun ti arah Bogor, anjeun oge tiasa naek KRL ka arah Jakarta Kota. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7162", "text": "Di Indonesia hususna dina suku Dayak sumpit nyaeta pakakas tradisional nu dipake ku suku Dayak pikeun moro sato di leuweung samemeh nganggo senjata modern. Satona biasana kijang, babi hutan, manuk sareng sato anu sanesna pikeun dikonsumsi. Sumpit dijieun tina kai anu teuas. Wangunna buleud panjangna nepi ka 2 meter, diameter batang sumpit 2 cm jeung diameter liangna 1 cm. Pikeun nyieun senjata ieu merlukeun presisi supados akurasina alus. Pelor sumpit (disebut damak) dijieun tina awi atawa sajenis tangkal korma (nibung). Batang awi ngawujud jadi bilah leutik anu ujungna lancip sarta seukeut. Samemeh dipake pikeun moro, sumpit diolesan ku geutah tangkal beracun (nipoh), sangkan sasatoan buruan anu kapangaruhan ku karuksakan bakal maot sakedeung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "800", "text": "Urang paling resep guyang di walungan atawa kulah. Mun tiap beres sakola SD, pasti urang ngajak babaturan jang guyang. Mindengna mah guyang di kulah sabab mun di Cianjur mah tiap imah geus pasti aya kulah. Ngaran babaturan urang teh Dudul, sabab Dudul mah boga kulahna nu rada gede, jadi mindengna guyang di kulah manehna. Ari baheula mah teu ngarti gerakan-gerakan guyang teh, jadi ngan kukucibekan weh maen cai. Tapi sabab keur leutik mindeng guyang, jadi kabawakeun ayeuna lamun keur renang teh rada bisa hal-hal dasar. Contona ngapung dina jero cai. Jadina teu sieun tikelelep lamun kanu jero ge da geus PD tea.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5392", "text": "Ngabakti ka orang tua jadi salah sahiji ibadah nu luar biasa pahalana. Doa orang tua, khususna doa indung, bakal jadi hal nu dikabulkeun ku Allah SWT jang kabaikan urang. Ridho Allah teh ayana dina ridho nu jadi indung. Mun urang mupusti indung, ngajadikeun indung jiga ratu, maka rezeki urang ge bakal ngalir ngalimpah. Tapi sabalikna, mun urang joledar ka indung, rezekina ge bakal hese. Inget hadist Rasulullah SAW ngeunaan jalma nu kedah dipihormat nyaeta ibumu, ibumu, ibumu, lalu bapakmu. Hal ieu ngabuktikeun bahwa indung teh penting pisan dina kahirupan urang sabab geus ngandung urang tuluy ngadidik nepi ka akhir hayat. Ku kituna, yuk ah urang muliakeun orang tua supaya urang ge dipaparin kamuliaan. Pupusti indung bapak samemeh aranjeunna teu aya deui.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6657", "text": "Salian ti cendol, aya oge minuman khas Bandung anu warnana hejo. Tapi minuman ieu tos jarang diical di mana-mana kusabab seeur barudak ngora anu leuwih resep kanu boba tibatan cingcau. Cingcau gaduh tekstur lembut siga ager anu didamel ti daun cincau hejo. Tesktur siga ager ieu ayana ti daun cincauna asli, janten teu kedah ngangge gelatin deui. Baheula cingcau ngan saukur cingcau dicampur gula bereum anu cair, tapi kadieunakeun aya eskrim cingcau anu dijieun ti santen. Eskrim cincau rasana seger pisan, aya tekstur lembut ti cingcauna, aya tekstur eskrim ti santen na, aya oge tekstur cai ti gula bereumna. Rasa cingcau nu asli emang rada pait sakedik, matakna biasana disajikeun jeung gula.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4732", "text": "Aya loba cara pikeun meunagkeun panghasilan, boh ku gawe di kantoran atawa muka usaha atawa wirausaha urang sorangan. Tapi loba keneh jelema anu leuwih milih di gawe kantoran, kusabab di rasa leuwih aman jeung nyaman. Di gawe di kantor masih keneh jadi pilihan anu nguntungkeun, khususna upama anjeun mangrupakeun jinis individu anu ngudag karir jeung langkung nyaman di gawe pikeun jalma sejen kusabab teu wani nyokot resiko. Batur lewuh hayang di gawe kantoran kusabab lamun urang di gawe di kantor urang bakal meunang panghasilan anu pasti dina bentuk gajih unggal bulan. Nominal biasana tetep per bulan iwal urang naek pangkat jadi aya kanaekan panghasilan dina hiji titik salian ti eta teu bisa di hindaran yen pagawe kantoran leuwih di tingali sarta di hormatan ku masarakat kusabab dia gaya bajuna anu rapih. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4471", "text": "Maen sapedah atawa olahraga bersepeda oge jadi salah sahiji olahraga anu loba di pikareseup ti leutik. Jaman keur leutik basana lamun maen sapedah bari jalan jalan jeung jajan atawa babalapan jeung babaturan. Sapedah oge alat olahraga anu ramah lingkungan jeung séhat. Lamun rek ka sakola oge urang sok bareng naek sapedah. Sapedahan meski niat na keur leutik ngan keur ulin tapi sapedah oge salah sahiji olahraga anu alus pisan keur kasehatan. Sapedahan ngajadikeun urang leuwih bisa fokus jeung nyaimbangkeun gerak awak urang. Sapedahanan teh salian ti olahraga luar anu bisa nguatkeun otot, nambah stamina jeung sajabana oge bisa ngalatih otak urang. Sapedahan kan kudu fokus, kudu saimbang eta nu ngajieun otak urang terus mikir keur sapedahan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4192", "text": "Imah pikeun urang Jawa lain ngan ukur tempat cicing, tapi ogé mangrupa unit atawa simbolis pikeun nu bogana. Ku cara kitu, posisi imah jadi cerminan kapribadian jeung kahirupan pangeusina. Nganalisis imah adat Jawa sarua jeung ngabahas urang Jawa jeung budayana sacara gembleng. Struktur wangunan imah Jawa mangrupa susunan kamar, anu ngagambarkeun wangunan has saperti pendhapa, pringgitan, dalem, dapur, gandhok, jeung gadri. Patalina ieu struktur mangrupa struktur anu prosés perwujudanna loba dipangaruhan ku mitologi jeung kosmologi Jawa. Hartina imah adat Jawa lain ngan saukur tempat panyumputan (fungsi praktis), tapi ogé dihartikeun minangka wujud perwujudan cita-cita jeung sawangan hirupna atawa fungsi simbolis.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6732", "text": "Resep milarian tempat kanggo popotoan? Hayu urang ka Taman langit pangalengan. Tempat ieu nyuguhkeun opat pangalaman sakaligus, nyaeta pamandangan kota, gunung, laut, jeung pamandangan kebon enteh. Teu heran lantaran tempat ieu aya di 1670 meter di luhur permukaan laut. Lokasina di Desa Sukaluyu, Kecamatan Pangalengan, Kabupaten Bandung. Tempat ieu tos tiasa dilewatan ku motor jeung mobil, tapi pas nepi di kebon enteh jalan ngan cekap kanggo hiji mobil hungkul. Tiket asup ka Taman Langit Pangalengan murah pisan, ngan sapuluh rebu. Upami bade datang ka tempat ieu tong miceun runtah di mana wae nya, lur! Hayu urang jagi kaaslian alam Indonesia. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "409", "text": "Ngaji kitab koneng geus jadi tradisi di pondok pasantren. Metode ieu bisa jadi metode pembelajaran bahasa Arab nu efektif, mulai ti khataman, semaan, oge sorogan. Ngaji kitab kuning bisa jadi metode diajar bahasa Arab sabab aya sababaraha kaunggulan saperti aya 4 maharoh dina diajar bahasa Arab, nyaeta kalam, qiroah, kitabah, jeung istima. Dina kaopat eta maharoh bisa dimeunangkeun dina ngaji kitab koneng. Lamun metode semaan, jadi kyai macakeun hiji-hji kalimat tangtuna arurang ngadengekeun jeung meunangkeun maharoh istima dijerona. Tuluy sabari mere makna oge urang meunangkeun mahoroh qiroah dina proses ngadangukeun bacaan kyai. Hak eta oge bisa ngalobakeun kosakata dina bahasa Arab. Ku rupa=rupa kitab nu dipake oge bisa nyieun urang beuki lega diajar bahasa Arab.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1558", "text": "Emang teu sakabehna urang mibogaan tatangga anu bageur, aya oge tatangga anu sok ngaganggu ku paripolahna sorangan jadina teu nyieun urang ngarasa nyaman jeung aman. Siga ngagandengan lantaran nyetel musik anu tarik pas isuk-isuk, padahal urang masih keneh keur istirahat da cape keneh ku sabab gawe lembur. Atawa nu ngaduruk sampah sangeunahna, jadina kaambu ngulibek haseupna asup ka imah urang. Hal ieu nu nyebabkeun stres jeung teu nyaman jadina teh mangaruhan oge kana kasehatan mental jeung fisik urang sorangan. Urang oge jadi ngarasa terisolasi jeung ngarasa kurang dihargaan salaku anggota masarakat. Mun urang ngarasa teu aman jeung teu nyaman tangtuna bisa mangaruhan kana kualitas hirup urang sacara keseluruhan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7134", "text": "Tanah air Indonesia beunghar pisan ku lagu-lagu rahayat. Ampir unggal wewengkon gaduh lagu sorangan minangka gambaran kahirupan masarakat satempat umumna. Lagu daerah oge janten media kanggo ngabentuk karakter masarakat. Contona nyaeta tembang Tokecang anu aya di wewengkon Jawa Barat jeung mangrupakeun sajenis tembang pikeun iringan kaulinan barudak. Nepi ka ayeuna can kanyahoan sacara pasti saha nu nyiptakeun tembang rahayat Tokecang, tapi sacara umum tembang rahayat mangrupa hasil kreasi jeung refleksi sesepuh lokal nu loba ngandung ajen moral jeung talatah luhung. Dina basa Sunda, tembang Tokecang nyaritakeun jalma anu loba teuing dahar jeung sarakah nepi ka beres kabeh dahareunana dibagi-bagi ka batur.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8107", "text": "Laptop Predator mangrupikeun laptop gaming anu diproduksi ku Acer, sareng dirancang pikeun nyayogikeun kinerja anu pangsaena dina gaming sareng aplikasi beurat anu sanes. Laptop Predator gaduh desain agresif kalayan awakna didamel tina logam sareng plastik awet. Posisi keyboard sareng touchpad diatur ku cara pikeun kanyamanan pangguna nalika maen kaulinan. Laptop Predator dilengkepan layar ukuranana 15,6 inci atawa 17,3 inci, kalayan resolusi Full HD atawa 4K. Layar ieu oge dilengkepan ku tehnologi IPS nu nyadiakeun gambar jelas tur seukeut. Laptop Predator didamel ku prosesor Intel Core i7 atanapi i9, anu mangrupikeun prosesor panganyarna kalayan kinerja anu gancang sareng efisien. Salian ti eta, laptop ieu oge dilengkepan ku RAM nepi ka 32GB sareng kartu grafik Nvidia GeForce RTX anu mampuh ngahasilkeun kinerja grafik anu sae pisan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9382", "text": "Becak mangrupikeun salah sahiji angkutan umum tradisional anu nepi ka ayeuna aya keneh. Cara ngajalankeun becak nyaeta digoes siga sapedah, ngan rodana aya tilu, bari di hareupna aya korsi jang diuk panumpangna. Cara naek becak urang kudu datang ka pangkalan becakna, ngomong ka amangna bade kamana, tuluy naek kana becakna. Kusabab korsi jang diukna ngan aya hiji, panumpangna oge ngan cekap ku hiji jalma. Lamun keur hujan biasana bakal aya siga hordeng tina plastik anu bakal nutupan becakna ameh caina henteu beunang kana panumpang. Lamun geus sampe di tempat anu dituju, urang turun tina becakna. Bayaranna biasana bakal leuwih mahal tibatan ojeg jeung angkot, soalna tanaga digoes ku amangna jadi leuwih capek tibatan ojeg jeung angkot anu make tenaga mesin. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2793", "text": "Seri Canon 5D mangrupikeun séri kaméra DSLR \"workhorse\" pikeun fotografer profésional dina sagala rupa widang, kalebet kawinan, perjalanan, bentang, jsb. Sedengkeun pikeun Olahraga, liputan, perang, juara masih 1DX mk II anu kinerja sarta durability masih luhur 5D. Saban generasi robah, ti generasi I ka II, II nepi ka III, salawasna aya loba perbaikan. Kumaha upami III dugi IV? Sabenerna, lamun kasampak sabudeureun, kualitas Canon 5D mk III dirilis dina 2012 pohara alus sarta masih relevan keur dipake dina karya ayeuna. Tapi jamanna robih sareng téknologi ogé parantos ningkat, janten Canon ogé kedah nga-renew séri 5D ieu supados henteu mundur pesaingna. Ti pengumuman tina Canon 5D mk IV, bisa ditempo yén Canon masih yakin tur serius ngeunaan ngembangkeun inovasi anyar pikeun kaméra DSLR, sanajan paling poto jeung video hobi malah sababaraha professional geus dimimitian pikeun pindah ka sistem kaméra mirrorless.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1583", "text": "Ngajaga kapercayaan teu babari. Jaga kapercayaan nu geus diberekeun babaturan ka urang. Kitu oge sabalikna. Lantaran jelema nu teu dipercaya ku batur, bakal jadi euweuh harga dirina. Ku sabab kitu, kapercayaan teh dianggap hiji hal nu mahal hargana, jeung di mana-mana teu bisa dibeuli. Kapercayaan bakal dimeunangkeun ku jelema, biasana merlukeun waktu nu lila jeung dipeunteunna sacara objektif ti batur. Jelema nu geus berhasil dipercaya ku babaturan, bakal diangkat atawa ditunjuk jadi pamingpin misalna pas gawe bareng kelompok, atawa nyepengan amanah anu leuwih luhur, jeung oge bisa babari meunangkeun mun misalna urang rek nginjeum duit, lamun urang keur ngabutuhkeunna. Jadi, urang kudu ngajaga jeung ngarawat kapercayaan ti babaturan nu geus dibikeun ka urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1149", "text": "Cara ngarah usaha teh lila jeung teu babari bangkrut. Nu kahiji bati tina usaha teh tong babari beak, urang kudu bisa ngagolangkeun. Usahakeun mun meunang duit bati ulah dibeulikeun kana kabutuhan sorangan, tapi kudu kana kabutuhan usaha, ngameh usahana leuwih ngagedean, mun ku urang dicoceng wae bakal tereh bangkrut. Nu kadua urang kudu nyieun catetan, boh eta catetan pengeluaran atawa pendapatan. Ieu siga sepele tapi penting pisan, sabab memori otak jelema mah babari poho. Nu katilu ulah mindeng dianjukeun, ieu fatal pisan. Komo mun nganjukeun ka jelema nu tara mayar hutang mah. Tangtuna salian ti ngahambat kana perkembangan wirausaha, oge bisa wae pait-paitna usaha urang bangkrut.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4154", "text": "Jujur dina Islam nyaéta usaha pikeun salawasna nyaluyukeun lampah jeung ucapan. Kahayang pikeun jujur ​​ngabalukarkeun hiji muslim salawasna dipercaya dina lampah, ucapan, jeung lampah kongkrit unggal poé. Pentingna jujur ​​pikeun umat Islam parantos dicontoan ku Rasulullah SAW anu ngagaduhan gelar Al-Amin, sareng Abu Bakar salaku Ash-Shiddiq. Teu anéh lamun duanana boga kapercayaan pinuh ku umat Islam. Jujur nyaéta paripolah anu positip ku cara nyarios anu bener, henteu curang, sareng lampah sareng ucap anu henteu kontradiktif. Kalakuan jujur ​​ngabalukarkeun umat Islam meunang kapercayaan ti lingkungan sabudeureun. Paréntah jujur ​​geus didaptarkeun dina Qur'an jeung hadits. Salah sahijina aya dina Al Ahzab ayat 70.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5727", "text": "Salah sahiji olahraga ringan nu sering pisan dilakukeun ku sabagean besar manusa nyaeta push up. Push up teh dilaksanakeunna bisa make alat bantu mangrupa bar, atawa bisa oge teu make alat nanaon. Jadi, push up teh dilakukeun ku cara angkat awak dina posisi nangkuban, angkat sajangkung leungeun, jari sampean jadi tumpuan di ujung, tangan jadi tumpuan di hareup. Awakna luruskeun tuluy mulai naek turun lalaunan. Tong gancang teuing, laun we supaya karasa kana pembentukan ototna. Biasana push up teh sok dina luhureun matras olahraga supaya teu leueur talapak tanganna nu jadi tumpuan. Saseri push up teh nyaeta normalna sapuluh itungan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6548", "text": "Naek transportasi umum teh dianjurkeun pisan ku pamarentah, sabab bisa ngurangan kamacetan jeung ngurangan pencemaran udara. Transportasi umum teh bisa muat loba jalma dina waktu jeung angkutan nu bareng. Jadi angkutan umum teh dianggap leuwih efisien mun mang kesadaran masyarakatna tos terbuka sadayana. Salian bakal ngurangan macet jeung pencemaran udara, naek kendaran umum oge bisa ngahemat pengeluaran bahan bakar minyak, sabab kaberadaan na teh teu bisa diperbarui. Mantakna, yuk leuwih bijak deui dina ngagunakeun transportasi umum! Kurangan make kandaraan sorangan, yuk mulai beralih kana transportasi umum supaya leuwih efisien jeung efektif! Dukung babarengan program pemerintah demi ngajaga kahirupan di masa depan!", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1958", "text": "Tempat wisata di Kuningan nyaéta leuweung désa Setianegara. diditu aya Leuweung ieu nawiskeun sensasi liburan di alam kalayan hawa anu tiis sareng seger, tangtosna. Leuweung anu kaasup kana kacamatan Cilimus téh beunghar ku flora jeung fauna. Ti kampung ieu anjeun bisa ngarasakeun pintonan éndah bari ningali kagiatan masarakat tani di suku gunung, aya nu ker ngala suluh atanapi ker mulai mangkat ka ladang di gunung. Hal-hal anu bakal pikaresepeun pikeun anjeun lakukeun di daérah désa ieu nyaéta wisata atikan di leuweung, kémping, naék gunung, sareng agrowisata. Tetep di kampung ieu bakal masihan anjeun hiji pangalaman nu moal kapohokeun sabab ramah tur kearifan lokal masarakat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8646", "text": "Urang pernah nyaho naon nu bakal kajadian di mangsa nu bakal datang. Kumaha lamun hiji poe anjeun leungit pakasaban atawa kudu nungkulan kaayaan darurat? Ku kituna, hayu urang nyiapkeun dana darurat pikeun nungkulan hal-hal anu teu disangka-sangka. Nyetel dana darurat mangrupikeun investasi jangka panjang pikeun kaamanan kauangan urang. Ku cara nyetel dana darurat, urang bisa ngarasa leuwih tenang jeung nyingkahan kaayaan nu ngarugikeun finansial. Tong ngantosan dugi ka telat. Mimitian nyetel dana darurat ayeuna, sanajan jumlah leutik. Ku ngahemat saeutik-saeutik, urang tiasa ngahontal udagan dana darurat anu cekap. Kasusah kauangan tiasa kajantenan ka saha wae. Ku netepkeun dana darurat, urang tiasa nyanghareupan kaayaan susah kalayan tenang sareng henteu kedah nginjeum artos atanapi ningkatkeun hutang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "184", "text": "Alesan naha film superhero loba diminati, lain ngan saukur budak leutik wae peminatna, tapi nu geus dewasa oge. Salah sahijina film anu dijieun ku Marvel. Ceuk urang sabab film Marvel berkaitan hiji jeung nu lainna. Jadi kabeh film nu di rilis ku Marvel Cinematic Universe jadi hiji film gede jeung jadi hiji bundel carita nu mibogaan kisah akhir utama. Tiap film nu di rilis mere pituduh kanggo mereskeun film akhir saga-na, nah hal ieu nu ceuk urang lolobana jelema tertarik ku model film siga kieu, aya akhir film nu ditungguan, film teu beak ngan saukur hiji film eta atawa sequel film eta, tapi aya carita gede dibalik sababaraha film.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8871", "text": "Mesin cuci indung kuring ayeuna geus ruksak pisan, tapi untungna masih bisa dipaké pikeun nyeuseuh. Selang caina teh copot jeung leungit, teu nyaho dimana, waktu harita adi kuring kalah make selang keur ulin cai nepi ka ayeuna can kapanggih. Baheula mah urang kudu mawa cai dina ember kana mesin cuci, tapi ayeuna urang meuli selang sejen nu bisa dipaké pikeun solokan cai, sanajan teu cocog oge. Teras tombol pikeun ngocorkeun caina ogé ruksak, janten urang kedah narik per na manual di tukangeun mesin cuci pikeun miceun cai. Kabeneran upami pengeringna mah tiasa dianggo keneh, upami eta ruksak ogé, geus padamelan nyeuseuh baju bakal janten padamelan anu sesah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7437", "text": "Laptop gaduh sababaraha kakurangan lamun dibandingkeun jeung personal komputer, nyaeta komponen anu aya di laptop baka leuwih hese diupgrade. Laptop, sami sareng sababaraha alat elektronik anu sanesna biasana gaduh inovasi anu robah-robah gancang pisan, janten upami urang hoyong ngarasakeun parobahan anu nguntungkeun urang biasana anu nganggo personal komputer mah langsung upgrade lantaran leuwih gampang.Tapi kanggo laptop teu gampang ngalakukeun upgrade sapertos di personal komputer. Komponen anu aya dina laptop oge bentukna leuwih alit, janten biaya kanggo ngabenerkeunna oge leuwih awis tibatan personal komputer biasa. Lamun laptop rusak, maka ngabenerkeunna kedah ngabogkar laptopna kabeh, teu sapertos personal komputer anu tiasa dibongkar CPU na. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9351", "text": "Setres anu kaleuleuwihi sacara otomatis gaduh pangaruh kana fisik urang. Dimimitian tina awak anu karasa capé, nyeri, sareng otot kaku, sadayana biasa dirasakeun ku urang anu aya dina kaayaan setres. Lamun geus kitu, mangka cara pikeun nungkulan setrés, jeung gejala na nyaeta mun ngalakukeun urut, naon wae jenis urutna, kayaning Pijat Shiatsu nu ayeuna di loba dipikaresep. Ngalakukeun urut henteu ngan ukur ngabantosan otot anu tegang tapi ogé ngabantosan ngaleungitkeun setrés, sareng ieu parantos dibuktikeun ku seueur panilitian ku kituna henteu aya ragu ngeunaan efektivitasna. Pijat Shiatsu mangrupikeun salah sahiji terapi alternatif anu tiasa ngabantosan setrés sareng déprési. Shiatsu mangrupikeun jinis pijat ti Jepang. Pijat ieu ngagunakeun tekanan ramo rhythmic pikeun 2-8 ketukan dina runtuyan meridian akupungtur. Tujuanana pikeun ningkatkeun aliran énergi sareng nyaimbangkeun awak.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5801", "text": "Kagiatan olahraga teh boga salusin mangpaat lain wae jang kasehatan fisik, tapi oge boga mangpaat jang kasehatan mental atawa psikologis. Nu kahiji nyaeta ngaredakeun kacemasan sabab olahraga teh bisa micu energi positif dina tubuh. Nu kadua nyaeta mangpaat jang ningkatkeun konsentrasi jeung fokus. Mun sering olahraga mah bakal leuwih terlatih dina fokus jeung konsentrasi dina suatu hal. Nu katilu nyaeta ngahindari stress jeung depresi, sabab olahraga teh bisa ngaproduksi hormon nu mawa hawa positif dina tubuh. Nu kaopat nyaeta leuwih optimis jeung leuwih percaya diri. Olahraga teh bisa ningkatkeun rasa optimis jeung percaya diri sabab efek tina olahraga nu bisa numbuhkeun energi positif dina tubuh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5033", "text": "Sunrise Point Cukul atawa biasa oge nu dikenal ku sebutan Bukit Cukul, nyaeta salah sahiji hidden gem nu aya di Pangalengan, Bandung. Bukit Cukul dikurilingan ku kenon enteh nu ngahampar luas kabina-bina. Akses jalan na sekitar lima menit ti jalan raya, tuluy nanjak ka luhur lewat jalan batuan. Parkiran na kabilang lega dina lahan saeutik di sela-sela kebon enteh. Wisata ieu nyayogikeun pamandangan hamparan kebon teh Pangalengan nu kacida endahna. Nu jadi andalan di tempat ieu nyaeta spot foto na nu nyanghareup langsung ka titik sunrise. Intina ieu tempat pas pisan jang moro sunrise mah. Hayu ah geura kadieu ngajaran popotoan atawa camping khususna malam mingguan didieu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8862", "text": "Kumaha ngabersihan laptop supados bébas tina baktéri sareng tahan lama aya sababaraha léngkah. Kahiji siapkeun heula alat pikeun ngabersihan laptop, urang ngan ukur kedah nyiapkeun cai dina botol semprot, cotton bud, sahenteuna 90 persen isopropil alkohol, sareng tisu basah. Kadua, bersihkeun heula luarna, pastikeun laptop dipareuman. Salajengna, urang ngawitan meresihan awak laptop, pastikeun yén unggal sisi laptop teu kaliwat. Sanggeus meresihan awak laptop, salajengna nyaeta mersihan layar. Bagian ieu kudu leuwih taliti tur lalaunan. Gosok merata dina layar laptop lalaunan, sarta ulah diteken. Salajengna, urang ngabersihan kibor sareng bagian internal anu sanés, ku cara ngalelepkeun pucuk kapas dina alkohol sareng ngabersihkeun sadayana sela dina kibor. Ngabersihan sadaya bagian laptop kedah rutin pikeun ngahindarkeun baktéri.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "100", "text": "Saenggeus beres-beres alat camping kana kantong gunung, urang jeung Sutra berangkat ka Taman Langit Pangalengan, nyaeta salah sahiji tempat wisata alam sakaligus tempat camping nu aya di Pangalengan. Harita urang jeung Sutra camping di tempat eta duaan. Berangkatna ti Bandung rada sore naek motor, lantaran geus sore jadi jalanan rada teu katinggali kusabab kahalangan ku kabut. Nepi Taman Langit Pangalengan saacan magrib. Urang jeung Sutra nyewa tenda meh sakalian dipangmasangkeun. Saberes tenda na jadi, urang nendeun peralatan jeung kantong gunung di jero tenda. Di Taman Langit Pangalengan oge aya warung nu nyadiakeun sagala kaperluan, aya gorengan, kopi, roti, jeung sajabana.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2792", "text": "Ngan meuli kaméra ti maker kaméra brand badag, Nikon, Sony, Canon atanapi Olympus.\r\nSiapkeun sabaraha dana anu bakal dianggo pikeun ngagaleuhna. Ngotektak situs ngajual kaméra anu lega sumebar.\r\nAya jinis DSLR, Mirrorless atanapi kaméra digital kompak, kaméra saku digital.\r\nSadaya kaméra digital saé, teu aya anu goréng sabab didamel sacara serius ngaliwatan panalungtikan sareng pamekaran anu saé.\r\nHal kahiji anu kedah dipastikeun sateuacan angkat ka toko kaméra atanapi ngalangkungan toko online nyaéta:\r\n1. Brand, tinggal milih salah sahiji merek anu geus ditulis di luhur.\r\n2. Naon boga harga jang mayar?\r\n3. Keur naon gunana? Hobi, ngajual jasa fotografi? Vlogging?\r\nSaumpamona pernah asup ka toko kaméra mawa duit dina leungeun tapi teu nyaho nanaon, jualan toko bakal ngarahkeun Anjeun meuli kaméra anyar, stock heubeul nu teu payu ogé. Henteu sadayana, tapi kasus ieu paling sering.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1918", "text": "Indonésia miboga rupa-rupa tutuwuhan pangan. Pepelakan pangan mangrupa sumber kahirupan pikeun manusa. Ku kituna, ayana bakal salawasna diperlukeun nalika manusa masih hirup. Tutuwuhan pangan dikelompokkeun dumasar umur, nyaéta pepelakan taunan sareng pepelakan taunan. Pepelakan taunan nyaéta pepelakan anu dipanén dina hiji mangsa tumuwuh, nyaéta antara 3-4 bulan, contona jagong jeung kadelé atawa antara 6-8 bulan, saperti sampeu. Tutuwuhan taunan nyaéta tutuwuhan anu terus tumuwuh sanggeus baranahan atawa ngalengkepan daur hirupna leuwih ti dua taun, kayaning sukun jeung sagu. Pepelakan pangan ogé dibagi jadi 3 golongan, nyaéta sereal, legum jeung umbi-umbian. Kelompok sereal sareng legum ngahasilkeun siki salaku produk budidaya, sedengkeun umbi ngahasilkeun umbi batang atanapi umbi akar salaku produk budidaya, sapertos legum: kedele, kacang, kacang héjo.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3933", "text": "Cumi - cumi seafood nu terkenal jeung jadi favorite teu ngan boga rasa nu enak jeung bisa di olah jadi loba masakan tapi cumi cumo ieu oge loba ngandung vitamin atawa zat zat penting keur awak. Salian ngandung lemak alus, cumi-cumi ogé katelah ngandung kalium anu luhur. Mineral ieu mangpaat pikeun ngabantosan nurunkeun tekanan darah. Upami tekanan darah dikontrol, maka résiko panyakit jantung sareng stroke rendah, ngabantosan nurunkeun koléstérol, Ngajaga kaséhatan tulang jeung huntu. Ngajaga kasaimbangan tekanan darah, Ngatur formasi sél getih beureum, Ngajaga kasaimbangan cairan. Tapi di antara kabeh mangfaatn a ngarana ngadahar seafood ka asup cumi cumi teu di saran keun loba jeung sering teuing kusabab seafood teh loba kolesterol na. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8287", "text": "Ngaluarkeun perusahaan tina zona krisis pasti ngabutuhkeun lengkah-lengkah anu tiasa diukur sareng tepat dina kaayaan kaayaan internal sareng eksternal dina bisnis. Ku alatan eta, dina nungkulan karugian bisnis aya sababaraha titik penting nu kudu nengetan. Anjeun kedah meunteun sadaya hal anu aya hubunganana sareng bisnis anjeun, sapertos ngevaluasi sistem bisnis, sareng produk atanapi jasa anu anjeun tawarkeun di perusahaan. Anjeun kedah marios sumber daya manusa di perusahaan anjeun naha aranjeunna damel sacara optimal, upami henteu teras nyandak tindakan. Pikeun mulangkeun perusahaan ka kaayaan aslina henteu gampang, anjeun kedah ngamimitian ngadamel parobihan anu dianggap perlu sareng nyababkeun perusahaan kaleungitan artos. Manajemen kauangan mangrupikeun titik penting anu kedah dilaksanakeun ku perusahaan. Dimana ku ngalaksanakeun manajemen kauangan tiasa nyegah karugian.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5406", "text": "Masjid mangrupakeun bangunan tempat ibadah umat Islam. Masjid kasebar di mana-mana, jeung jumlah na teu kaitung. Bangunan masjid gaduh ciri khas nyaeta ayana kubah. Kubah ieu bentukna lancip kaluhur, ayana diluhurbangunan masjid. Tuluy di jero masjid oge aya tempat imam khusus jeung mimbar jang nyampaikeun ceramah. Biasana di dindingna aya tulisan kaligrafi. Di hareupeun atawa gigireun masjid, biasana aya tempat wudhu. Tempat wudhu lalaki jeung istri di pisan, biasana beda sisi. Tuluy di masjid oge aya sajadah panjang ngabentang paranti sholat berjamaah. Aya oge tirai pamisah antara jamaah lalaki jeung jamaah istri. Biasana aya oge lemari jang nyimpen alat sholat jeung Al-Qur'an. Di jerona ge sok aya kotak amal nu jadi tempat sedekah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2777", "text": "Sacara umum, mesin cuci dibagi dua kana frontload sareng topload. Salah sahiji hal nu ngabedakeun nyaeta beban luhur awét pikeun pamakéan kulawarga leutik, tapi harga mesin téh langkung mirah. tapi cai sareng listrik langkung boros sareng waktos cuci langkung seueur sareng tingkat kagaringanna ngan ukur 70 persen. frontload, cocog pikeun usaha laundry atawa kulawarga kalawan loba anggota. hargana memang langkung mahal, tapi tingkat garing na baju ai misalkeun digaringkeun tiasa 90 persen sareng lewih ngahemat cai. Sababaraha merek gaduh jaminan anu langkung panjang sareng langkung awét, tapi sacara umum mesin tina merek populér sanes nu jumlahna rada loba di pasaran.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1909", "text": "Milih jati di bumi sok janten hal anu pikaresepeun. Urang bakal salawasna museurkeun jati anyar nu mangpaat, kitu ogé kamirahana. Salah sahiji anu urang tiasa pertimbangkeun nalika milih perabot rumah tangga nyaéta kompor. Lamun jamak kapanggih dina dapur imah kiwari nyaéta kompor gas, ayeuna mah hese neangan kompor listrik. tapi didieu urang bakal meunang info naha kompor gas leuwih alus. nyaeta. Urang tiasa ngahemat tagihan listrik, tapi aya deui artos anu kedah dibayar di tempat sanés dina anggaran. Kawas pikeun waragad parabotan. Contona pikeun parabot dina kompor gas atawa pipa gas anu dipasang. Alatna pasti peryogi pangropéa khusus ti teknisi sacara rutin. Sanajan kitu, ngarobah pamakéan gas jadi listrik bakal mahal. Urang meureun kudu méakkeun duit masang kabel listrik jeung mareuman jalur gas. Janten konvérsi anu dilakukeun tina hiji sistem ka anu pasti leuwih awis Alat-alat gas mimitina langkung mahal, tapi kana waktosna, gas bakal ngahémat artos anjeun pikeun tagihan nu sejen jang anjeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8143", "text": "NFT janten tren nu sueuer dicarioskeun ayeuna-ayeuna. Komo saatos hiji wargi Indonesia nyaeta Gozali nu berhasil ngajual mahal foto manehna keur selfie unggal poe. Tren ieu salah sahiji nu ngangkatna nyaeta chef nu biasana ngajurian acara masterchef, ngaranna nyaeta chef Arnold Purnomo. Nanging aya hiji pernyataan chef Arnold nu dipermasalahkeun ku masarakat khusuna masarakat dunya maya. Dina akun twitterna, chef Arnold menta hampura upami followersna janten exit liquidty manehna. Pernyataan ieu dimimitian ku salah sahiji tweet nu nyebatkeun upami harga NFT turun drastis. Sanes hiji atanapi dua nanging seueur pisan nilai atanapi harga NFT nu turun. Masarakat nganggep upami chef Arnold ngan manfaatkeun batur pikeun nguntungkeun manehna nyalira. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2284", "text": "Gerakan salam, nyaéta panutup tina solat, ku cara malikkeun beungeut ka katuhu jeung kenca gunana pikeun ngajaga kalenturan urat beuheung. Gerakan ieu ogé bakal nyepetkeun aliran limfa dina beuheung ka jantung. Sholat Leuwih Canggih Ti batan Yoga “Kumaha saur anjeun lamun aya walungan dina panto imah salah sahiji anjeun sarta manéhna mandi di dinya lima kali sapoé. Aya kénéh kokotor dina awakna?”. Para sahabat ngawaler: \"Tangtos teu aya kokotor sakedik dina awakna.\" Lajeng anjeunna ngadawuh: \"Éta analogi solat lima waktu. Alloh ngahapus sagala kasalahan maranéhanana\". (H.R Abu Hurairah r.a). Hanjakal teu aya paguron luhur anu wani atanapi ngahaja ngembangkeun teknik gerakan solat ieu sacara ilmiah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "425", "text": "Kisah-kisah dina Alquran ngabenerkeun kanabian sakaligus mepeling jasa Nabi baheula. Ieu bisa ditinggali tina hadis nu nyebutkeun lamun engke dina poe kiamat Allah bakal ngumpulkeun hamba-hamba Na jeung menta tanggung waler maranehna sewang-sewangan. Di sisi sejen, kisah Al-Quran oge ngabuktikeun yen bener dakwah Nabi SAW. Kaayaan kisah-kisah ieu jadi bukti yen Nabi bener sabab ninggali faktor lamun Nabi teu pernah diajar sajarah ti sasaha wae ge. Ngan kabeneran carita-carita nu didugikeun bisa ngabuktikeun sacara ilmiah di masa-masa modern sanajan loba jelema teu percaya ka mantenna, nganggap naon nu dibawa ku nabi salaku hiji hal nu diaya-ayakeun, komo deui nuduh nabi salaku orang nu teu waras.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "487", "text": "Saacan sholat Idul Adha, aya alusna ngalaksanakeun hal-hal nu disunnahkeun saacanna jang nambah kaberekahan nu dirasakeun. Nu kahiji teu dahar heula, Hal ieu beda jeung Idul Fitri nu disunnahkeun jang dahar heula saacan ngalaksanakeun sholat. Nu kadua ngumandangkeun takbir pas indit ka tempat sholat, bisa sabari leumpang lamun tempatna deukeut mah, atawa ngagunakeun motor/mobil mun tempatna jauh. Nu katilu milih jalan nu beda pas keur balik, ngameh kalimat takbir nu diucapkeun bisa nyebar. Kaasup oge jadi bagian tina silaturahmi sabab bakal ngaliwatan imah tatangga nu beda pas keur indit. Nu terakhir ngagunakeun pakean nu paling alus. Pakean nu dimaksud teh teu kudu mahal, tapi pakean nu paling halal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "557", "text": "Cara nu bisa dilakukeun ngarah nyieun nu meuli resep kadaharan khas daerah nyaeta, nu kahiji ngarobah bentuk dina metode mungkusna nu aya di masarakat ayeuna. Lamun masarakat umumna ngagunakeun plastik transparan bodas, maka metode mungkus nu bisa dilakukeun nyaeta ku cara ngagunakeun kertas kemasan nu bisa disebut leuwih ramah kana lingkungan. Nu kadua ngalakukeun metode ngajual ku cara ngagunakeun sosial media siga Tiktok, Facebook atawa Instagram jadina kadaharan bakal bisa disajikeun kana konsep nu bisa disebut leuwih modern. Nu katilu ngagunakeun ngaran produk nu bisa kasebut leuwih menarik di ceuli batur jadina bakal meunang perhatian ti calon anu rek meuli.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "27", "text": "Kangkung salah sahiji kadaharan nu murah meriah jeung babari manggihan di pasar-pasar. Tapi kangkung nu dibeuli sok babari layu teu tahan lila, jadi kudu buru-buru diolah meh teu babari layu. Tapi aya carana ameh kangkung teu babari layu, nyaeta ku cara nyimpenna. Kahiji lamun moal buru-buru dimasak kangkung ulah dikumbah heula, soalna kondisi baseuh sok nyieun kangkung babari busuk. Jadi nu paling aman mah simpen dina kulkas nepi ka kaayanna garing atawa teu beueus. Nu kaduana bisa dibungkus ku kertas, jadi samemeh diteundeun di kulkas bungkus heula make kertas. Nu terakhir bisa dipotong heula akar kangkungna meh kajaga kangkung tetep seger.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7946", "text": "Biasana lamun abdi nuju setres abdi sok jalan-jalan sareng rerencangan ka alam. Boh ka gunung, boh ka laut, atawa ka tempat anu seeur tatangkalan hejo supados tiasa ngaleungitkeun kapusing. Biasna lamun aya tempat ngumpul anyar sapertos kafe atawa resto anu anyar oge abdi sok ngadatangan tempat eta. Lamun boga artos anu rada seeur abdi oge biasana sok jajan di mekdi meser eskrim atawa kentang jeung berger. Pokona lamun boga masalah mah abdi sok tara cicing di imah, sok indit ka luar supados tiasa gaduh pikiran jeung kaayaan anu leuwih sae deui. Lamun cicing wae di imah biasana kondisi pikiran teh kirang sae lantaran kapikiran wae masalah. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4008", "text": "Kwetiaw goreng mangrupikeun salah sahiji dahareun karesep kuring. Rasana ngeunah, gurih, kenyal jeung bergizi. Bahan utama anu digunakeun dina nyieun kwetiaw goreng nyaeta bahan anu kandungan gizi jeung protein jeung vitamina loba nu alus sarta sumber tanaga pikeun awak. Aya vitamin tina sawi jeung tauge, aya protéin nu meunang ti endog, bakso, sosis jeung hayam atawa daging sapi jeung karbohidrat nu ogé meunang ti kwetiaw nu dijieun tina tipung beas. Kwetiaw goreng teh bisa jadi gaganti sangu da dina sapiring kwetiaw sarua jeung sapiring sangu jeung lukna. Dina piring sapiring kwetiaw ges lengkap gizi, vitamin jeung karbohidrat cukup keur ngaganti tanaga nu biasana sumberna ti sangu. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8671", "text": "Jalma hayang boga loba babaturan kusabab kabutuhan sosial jeung kamanusaan dasar. Hubungan sosial anu positif tiasa masihan seueur mangpaat, sapertos parasaan pangrojong, kabagjaan, sareng kaséhatan mental sareng fisik anu langkung sae. Kalolobaan jalma hayang ngarasa diaku, ditarima, sarta kaasup dina bunderan sosial maranehanana. Kabutuhan ieu tiasa dicumponan ku gaduh seueur rerencangan anu daek ngabagi pangalaman sareng ngawangun hubungan anu positif. Ngabogaan rerencangan sareng berinteraksi sareng jalma anu beda-beda tiasa ngabantosan ningkatkeun kaahlian sosial sareng kamampuan komunikasi anu langkung sae. Tangtosna, gaduh seueur rerencangan oge peryogi usaha sareng waktos pikeun ngawangun sareng ngajaga hubungan sosial anu positif. Kade milih babaturan alus tur ngawangun hubungan sehat sarta positif.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4651", "text": "Sanggeus leuwih ti tilu puluh taun rupa-rupa kamajuan, internét geus jununakhirna bisa jadi unit gaya hirup anu ampir diperlukeun ku sakabeh manusa sapopoé. Urang sorangan apal yén internét ges suksés janten média anu mantuan dina nyambungkeun sagala rupa kagiatan manusa sacara efektif, akurat, sareng éfisién. Sajaba ti éta, konsép gawé Internet nyaéta nyambungkeun rupa-rupa alat éléktronik saperti komputer, laptop, jeung telepon pinter ti pamaké kana hiji jaringan. Konsep ieu suksés ngahubungkeun pangguna di sakumna dunya pikeun saling berinteraksi. Hatur nuhun kana konsép ieu ogé, istilah online tiasa diinterpretasi salaku 'dina jaringan'. Internét geus ngarobah cara jalma meunang warta informasi, mesen transportasi jeung dahareun, meuli tiket, komo digawé. Sadayana tiasa dilakukeun ku ngan ukur hiji jari.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7025", "text": "Yesus mangrupikeun salah sahiji tokoh konci dina agama Kristen. Anjeunna katelah Putra Allah sareng Mesias anu dijangjikeun, sareng dijadikeun salaku Tuhan. Anjeunna hiji-hijina putra Alloh, anu janten manusa nalika lahirna. Anjeunna lahir ti hiji awewe ngaranna Maria jeung ditulungan ku Roh Suci. Sanggeus yuswa 30 taun, Yesus ngajar jalma-jalma di Galilea jeung nyebarkeun warta ti Allah. Anjeunna ngalaksanakeun seueur tindakan gaib anu disebut mujijat, di antarana nyaeta ngahirupkeun anu maot, nyageurkeun anu gering, sareng ngarobih cai janten anggur. Manehna ngajar jalma-jalma ngeunaan tatakrama jeung kahirupan moral nu ditulis dina Alkitab. Dina ahir hirupna, Yesus dikerem jeung disalib, tuluy dihirupkeun deui ti nu maraot.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3874", "text": "Mie hayam mangrupa dahareun sehat karna teu pake pengawet, sehat sebab aya sayuran na, jeung bergizi tina hayam na, terus murah, tur gampang manggihan matakna mie ayam jadi dahareun favorit loba jalma. Padagang mie ayam babari di panggihan di mana wae nyaeta ti gigireun jalan raya nepi ka réstoran mewah. Malah ayeuna, pikeun minuhan kahayang konsumén, mie hayam jadi loba piliheun toping hayam na jadi kalawan loba topping. Aya hayam sambel saperti biasa, aya hayam rica, hayam bodas komo hayam bisa diganti ku sayuran pikeun vegetarian. Kemasan oge ayeuna mie hayam bisa diawetkeun sangkan bisa awet jeung bisa didahar dimana wae. Aya ogé peuyeum, kadaharan anu jarang dipikaresep ku jalma-jalma kusabab bau, ayeuna rupa-rupa olahan anu tiasa ngajantenkeun langkung nikmat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "198", "text": "Keur leutik urang biasa ngojay di walungan jeung babaturan. Aya sababaraha mangpaat ngojay bisa jang kasehatan, di antarana ngalatih otot. Pas ngojay kabeh anggahota awak gerak ngalawan cai, gerakan eta bisa nguatkeun otot. Ngojay oge bisa ngalatih sangkan bisa leuwih wani sangkan teu sieun pas keur di jero cai. Ngojay oge bisa ngalatih kemampuan sosial komo deui ngojayna di kolam anu umum, bisa mere kasempetan jang ngobrol jeung batur. Tuluy bisa ngontrol beuratna awak, ngajaga meh tetep aktif bisa ngabantuan ngontrol beuratna awak sakaligus nyegah obesitas. Nu terakhir, ngojay bisa sare leuwih tibra sabab ku ngojay bakal cape jeung tunduh saberesna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4264", "text": "Aya sababaraha tokoh adat anu terkenal di indonesia, sababaraha diantara na aya anu ges bisa asup kana pamarentahan pusat, tikoh ada ieu di percaya ku masarakat na ameh bis aleuwih dekeut jeung bisa nepikeun aspirasi kana wujud kabijakan kusabab tokoh adat teh jelema asli asalna tina daerah dinya jadi bener bener hapal kumaha kondisi nu aya jeug apal naon anu hade keur kamajuan wilayah atawa daerahna. Contohna Billy Mambasar, Billy Mambasar sabenerna can bisa di sebut tokoh adat kusabab biasana tokoh adat teh jelema anu ges kolot. Tapi billy mambasar kaasup putera daerah adat papua anu bisa sukses jeung jadi staff khusus presiden milenial, dimana staff khusus ieu teh bisa mere parubahan ka daerah asalna nyaeta papua. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3574", "text": "Dina ngalaksanakeun tujuanana, aya opat kagiatan utama Wanadri anu ngawengku: eksplorasi, atikan, integrasi jeung masarakat, jeung ngajaga alam. Ngumbara di gunung, leuweung geledegan, jurang jero, gawir nu lungkawing, gulat jeung arus deras, cascades jeung jeram di walungan, naha urang sadar atawa henteu, tangtu bakal mangaruhan karakter hiji jalma. Rupa-rupa halangan anu karandapan dina lalampahan bakal ngajadikeun jalma leuwih tabah, teu gampang nyerah. Ditengah-tengah kaagungan alam, kaéndahanana jeung kamungkinan kagagalanana, hiji Wanadri bakal sadar kana kaagungan Gusti Nu Maha Nyipta. \"Cara ngumbara\" ieu mangrupa salah sahiji cara Wanadri ngadidik manusa, hususna anggotana. Syarat Keanggotaan (Dumasar BAB IV Keanggotaan Pasal 11 Anggaran Rumah Tangga Organisasi WANADRI):\r\nSakumna pamuda Indonésia anu atikan (murid jeung mahasiswa) anu mibanda sumanget Pancasila.\r\nUmur teu kurang ti 15 taun, kalayan kaayaan fisik, mental jeung kecerdasan alus (teu aya cacad).\r\nSuka hirup di alam, utamana gunung jeung leuweung.\r\nLulus dina pangajaran Téori, Gunung jeung prakték leuweung.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2398", "text": "Alat Musik Gamelan\r\nAlat musik gamelan, kuring yakin anjeun geus wawuh jeung ieu objék, asalna ti Jawa jeung diputer dina acara adat, kawinan, acara hiburan atawa wayang, jsb. Gamelan dijieun tina beusi panas anu tuluy diasupkeun kana cetakan nepi ka ngawujud gamela. Biasana gamelan kumplit atawa iket jeung pakakas gong.\r\nAlat Musik Tarompet\r\nInstrumén tarompét nyaéta pakakas musik anu ku cara ditiupna, wangunna sarupa jeung klarinet. Alat musik terompet asalna ti wewengkon Minang, Sumatera Barat.\r\nAlat musik Sasando\r\nAlat musik sasando miboga wangun anu unik, ogé miboga 28 nepi ka 58 senar atawa senar. Sasando asalna ti wewengkon Nusa Tenggara Timur, ayana di rote, cara maenna ku cara dipetik. Pabrikna ogé ngabutuhkeun seueur bahan sapertos daun lontar, kai, awi, paku, sareng tali.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6699", "text": "Waluh tiasa dijadikeun menu sayur anu sehat tapi gampil diolahna. Oalahan waluh anu paling mineng didahar nyaeta tumis waluh. Waluh kedah dibeulah dua heula, teras digosok-gosok nepikeun kaluar geutahna, piceun getahna make cai teras waluh tiasa dipotong-potong paranjang. Bungbuna oge gampang, tinggal siksikan bawang bodas, bawang bereum jeung tomat teras ditumis dina minyak sakedik. Upami tos seungit langsung asupkeun waluh anu tos dipotong-potong bieu teras dioseng sabari disamaraan make uyah jeung gula, tiasa oge ditambihan cai sakedik ngarah gancang asak. Masak waluh tong hipu teuing supados kandungan nutrisina teu leungit. Upami tos asak, sayur waluh tiasa disajikeun jeung sambel atawa goreng tahu jeung goreng tempe.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "102", "text": "Di Taman Langit Pangalengan salian bisa wisata alam anu pamandanganna endah, bisa oge sakalian camping. Geus sagala disadiakeun, mulai ti tenda, colokan listrik, lampu tenda, matras, sleeping bag, nepi ka peralatan masak oge aya disewakeun. Kabut na tebal, jadi lamun ti jam 12 beurang nepi subuh mah tara katingali pemandanganana teh. Tuluy mun peutingna karasa tiris pisan nusuk kana tulang. Tapi lamun isuk-isuk na alus pisan pemandanganana, langitna beresih, tuluy katingali harejo kebon teh jeung bukitna. Maju ka beurang mulai rame nu daratang boh ti Bandung atawa luar kota Bandung. Enakeun jang menghirup udara segar. Loba oge spot foto nu Instagramable.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5444", "text": "Unggal poe, Niko miluan kagiatan dongeng nu diayakeun di rumah baca deukeut imahna. Kagiatan ieu dilaksanakeun unggal poe Minggu ti isuk nepi ka sore. Niko biasana miluan wae, tara kaliwat. Poe ayeuna Niko rek indit deui ka rumah baca. Niko basana ngajak babaturan sakolana. Salian bisa maca buku gratis, oge aya teteh-teteh jeung aa-aa nu sok ngadongeng ngeunaan carita rakyat di Indonesia, jia Malin Kundang, Sangkuriang, Roro Jonggrang, jeung sajabana. Kadang mah Niko sok nepi ka alim uih saking rame na kagiatan ieu. Beres ti rumah baca, Niko tuluy mandi jeung siap-siap rek ngaji ka masjid. Niko sok ngaji unggal maghrib ka masjid deukeut imahna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6750", "text": "Guest house gaduh sababaraha kaunggulan lamun jeung dibandingkeun hotel. Kahiji, pangaosna anu langkung mirah. Guest house biasana nawiskeun harga anu langkung handap tibatan hotel, sabab henteu meriyogikeun biaya operasi anuseeur sapertos hotel. Kadua, guest house biasana leuwih ramah tur intim lantaran guest house biasana langkung alit sareng gaduh suasana anu langkung intim sareng ramah tibatan hotel. Katilu, guest house biasana gaduh lokasi anu langkung sae lantaran lokasina aya di daerah anu langkung tenang, langkung pikaresepeun janten urang tiasa ngarasakeun pamandangan anu sae. Kaopat, guest house biasana leuwih fleksibel. Guest house biasana leuwih fleksibel dina hal check-in jeung check-out, sami oge upami urang ngabatalkeun pesenan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6744", "text": "Basa jaman SMP, abdi sareng rerencangan saangkatan ulin ka Vila Cilengkrang. Angkat ti sakola ngangge mobil sasarengan. Vila ieu kaasup vila anu jadul. Aya hiji aula gede, jeung tilu kamar anu bangunan na kapisah jeung aula. Barudak lalaki bobo di aula, barudak awewe bobo di kamar. Pas arurang nuju beberes kamar kanggo nyimpen barang, abdi sareng rerencangan ningal aya runtah di handap kasur, janten teu hoyong bobo di kamar eta, tapi lantaran teu aya deui tempat, abdi sareng rerencangan kapaksa bobo di dinya. Aya oge hiji mara anu paling badag, kamar utama nu gaduh kamar cai di lebet na, tapi suasana di kamar ieu rada keeung. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1540", "text": "Jeung kabogoh rutin nyisihkeun duit hasil gajih tina gawe jang kaperluan duaan, duit ieu bisa dipake mun misalna aya salah sahiji nu kapapaitan atawa keur butuh duit eta bisa dicoceng heula. Tapi mindengna mah ku arurang dipake jang biaya liburan, boh eta transportasi nepikeun ka sewa alat-alat dokumentasi. Keur arurang mah liburan teh penting, komo di waktu gawe nu padet pisan. Liburan bisa nyegerkeun deui awak jeung pikiran, ditambah duaan teh ngarah bisa beuki wanoh. Sabeneran aya maksud lain ngajak liburan teh, lantaran cenah salah sahiji mun hayang apal sifat jelema teh ku urang kudu diajak perjalanan jauh, biasana sok katinggali sifat aslina kumaha.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3590", "text": "Sadinten dua dinten saatos gempa ageung di Jogja.\r\nAbdi naek motor di Jalan Godean anu rame sareng pinuh ku motor nuju rada gancang.\r\nMotor kuring disalip ku motor mawa bantuan keur korban gempa, kotak-kotak mie instan. Ujug-ujug motor kuring oyag.\r\n\r\nHenteu aya tempat anu aman pikeun ragrag, sabab payun sareng sisina pinuh ku motor.\r\nAbdi émut kadua sateuacan dampak ujug-ujug laun pisan.\r\nKuring nu make jubah teu rubak teuing, ku sabab bisa luncat (cukup jauh) kana taktak jalan.\r\nSapédah motor anu kuring nyupiran, ku kuring diantep nabrak di tengah jalan raya.\r\n\r\nJalma-jalma di sakurilingna ngajerit histeris, sabab motor kuring murag, ngapung ngapung di tengah jalan, nepi ka tungtungna eureun. Teu sangka yén supirna tos aya di bahu jalan—nu lalajo sareng aranjeunna. Dina panon maranéhanana kajadian ieu lumangsung gancang pisan. Motor kuring ruksak parah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "955", "text": "Kamera aksi atawa action cam salah sahiji kamera nu bisa nangkap petualangan. Siga pas keur urang body rafting di Pangandaran, urang mimiti mawa action cam ngameh bisa ngarekam salila perjalanan body rafting, jadi moal sieun mun asup kana cai oge da moal pareum. Bentukna anu leutik jadi babari dibabawa jeung oge teu beurat jadi moal cangkeul mun lila dicepengan. Pas dibawa body rafting kamerana tetep alus, jernih katinggalina. Komo deui dilengkepan ku pelindung, jadi leuwih aman mun dina cari, atawa murag kana batu jeung taneuh ge. Aya oge filter nu bisa ngamaksimalkeun jang ngarekam dina jero cai. Pelindung lensa oge jadi bisa nyegah goresan jeung karusakan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "432", "text": "Hiji poe aya hiji warga desa nu keur ngaliwatan hiji gunung papanggih jeung hiji lalaki nu geus kolot nu buta jeung sangsara sabab boga panyakit dina sakabeh awakna. Kolot eta katinggali keur aya dina posisi diuk sabari ngomong Sagala puji bagi Allah, Nu atos nyieun aman tina panyawat jeung manten-Na emang leuwih milih urang daripada nu sejen nu geus manten-Na ciptakeun. Kolot eta tuluy ngangkat mastakana jeung ngomong Lainna urang masih mibogaan letah jang ngucapkeun Keesaan-Na, jeung bisa inget unggal waktu. Jawaban kolot ieu cukup nyieun warga desa tobat ka Allah SWT lantaran dosa-dosana jeung menta hampura ka Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "906", "text": "Downhill Domination salah sahiji game PS2 jaman baheula. Baheula sok maen ieu teh jeung babaturan, tapi kakara apal ayeuna-ayeuna mun game ieu bisa make kode cheat. Kode cheat ieu bisa meunangkeun energi, duit, jeung botol jang digunakeun di jero game. Cara cheat duit contona, cukup neken luhur, segitiga, handap, X, kenca, buleud, katuhu jeung kotak. Mun hayang cheat energi euweuh batasna, ngan ukur neken handap, segitiga, kenca, kenca jeung kotak. Aya oge jang cheat botol, biasana digunakeun pas keur maen jang maledog pamaen sejenna, cukup neken luhur, handap, kenca, kenca, katuhu jeung katuhu dina analogna. Aya oge cheat sejenna siga cheat speed ngameh gancang, nyaeta teken handap, segitiga, katuhu, katuhu, jeung kotak.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6542", "text": "Salah sahiji transportasi umum nu loba digunakeun ku mahasiswa teh nyaeta Bus Trans Metro Pasundan. Bus ieu teh ayana di kota-kota besar, acan kasebar di saluruh kota jeung kabupaten nu aya di Indonesia. Tah fasilitasna teh enakeun, aya ac, cctv, jeung kaberesihan na nu dijaga pisan. Pembayaranna teh geus teu bisa make cash, tapi kudu make emoney atawa scan barcode. Cara naek jeung turunna teh kudu di halte nu geus ditangtukeun, teu bisa sambarangan. Tarifna ge murah pisan, ngan 4.900 rupiah. Tuluy jurusan na ge ngan aya sababaraha, acan menyeluruh di kota-kota besar. Karapian jeung kaberesihan bus ge jadi faktor nu jadi pertimbangan besar transportasi ieu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4180", "text": "Unggal daerah biasana boga acara adat sorangan, di upacara adat pernikahan teu aya ngan di sunda, aya oge acara adat batak. Dina adat Batak Toba, akad nikah diluluguan ku upacara pertunangan. Upacara ieu husus sarta otonom; ditungtungan ku prosedur anu ngajamin, duanana mimiti ngahijikeun dua panganten awewe jeung panganten lalaki kana lingkungan anyar. Ritual nikah dilaksanakeun dumasar kana sagala tata cara adat Batak Dalihan Na Tolu. Ieu anu disebut upacara kawin biasa (demonstrate) Mangadati: upacara nikah anu dilaksanakeun henteu dumasar kana adat Dalihan Na Tolu Batak, ku kituna panganten lalaki anu mangalua atawa kawin kawin, tapi upacarana sorangan dilaksanakeun saméméh pasangan boga anak, Pasahat sulang-sulang ni pahoppu: upacara nikah anu dilaksanakeun di luar adat Dalihan Na Tolu Batak, sangkan panganten anu mangalua sarta upacara dilaksanakeun sanggeus boga anak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4743", "text": "Aya loba faktor kunaon jualan di mah teh jadi pilihan atawa anu di pikahayang ku loba jelema, alasan uatama na tangtu lamun geus boga budak ameh bisa tetep ngahasilleun duit bari ngasuh budak, salian ti eta nya loba deui saperti lamun urang milih jualan di imah teh waktu na leuwih bisa kaatur kumaha urang bisa leuwih fleksibel, henteu capek kudud kaluar imah jadi bisa istirahat jeung tangtuna bisa ngahemat ongkos urang teu kudu kaluar duit misalkeun keur onkos naek kendaraan umum atawa bengsin. Pokona aya loba keneh alesan anu matak ngajieun boga usaha di imah jadi pilihan batur keur ngamulai usahana.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6664", "text": "Basa keur ulin ka tempat rerencangan, abdi disuguhan kue lapis. Tapi ieu mah beda, sanes bolu lapis, tapi kue baseuh , dahareun anu cepel jeung biasana warnana hejo jeung bereum. Abdi kirang resep kana dahareun ieu lantaran rasana ngan amis hungkul jeung sok napel dina panangan. Kue lapis ieu bisa napel kitu lantaran bahan ngadamelna ti tipung beas anu dicampur jeung tipung tapioka. Lamun kue lapis dikreasikeun deui make coklat bubuk atawa rasa nu lain jigana bakal leuwih ngeunah. Kabalikan jeung dahareun geunyal anu rasana asin, abdi kirang resep dahareun anu geunyal tapi amis. Kadang-kadang warna kue lapis oge sok rada mencerang teuing, jadina jiga sanes emameun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2366", "text": "Jaman baheula jaman karajaan, aya hiji randa boga anak dua, lalaki jeung awewe. Waktu harita Situ Bratan can aya. Singkat carita, indungna kungsi salingkuh jeung oray sétan gedé, atawa oray naga nu cicing di lumbung béas deukeut imahna. Saeutik demi saeutik budak mimiti curiga naha indungna sok naék ka kandang unggal balik ti leuweung. Ja, basa indungna kaluar ka leuweung, manéhna naék ka jero lumbung. Di jero kandang manéhna nempo tumpukan endog anu leuwih badag batan endog hayam. Di tengah tumpukan endog aya endog aheng. Endogna dicokot tuluy diasakan tuluy didahar ku anak-anakna. Sakedapan wujud lanceukna robah jadi oray. Hariwang matak ngaganggu di kampung, maranéhna indit ka leuweung pikeun manggihan indungna. Lajeng ku lanceukna, lanceukna digotong terus lumpat ka leuweung. Di leuweung patepang jeung indungna anu keur asih jeung naga. Tuluy maranehna ambek, sabab nganggap yen ku Naga, lanceukna jadi kitu. Anjeunna nangtang naga pikeun ngalawan. Ahirna lanceuk nu geus robah wujud jadi oray junun ngéléhkeun naga. Tapi hanjakalna indungna ogé maot dina tarung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1603", "text": "Stres bisa mangaruhan kasehatan fisik jeung mental jelema. Ku sabab kitu penting jang urang mengatasi stres ngameh bisa ngajaga kasehatan jeung kasejahteraan. Salah sahiji carana nyaeta ngalakukeun olahraga, lantaran olahraga bisa mangaruhan produksi hormon dina jero awak urang. Pas urang ngalakukeun olahraga, awak urang ngaleupaskeun endorfin nu bisa mantuan ngurangan rasa kanyeri, ngaronjatkeun mood, jeung ngurangan stres. Salian eta, olahraga oge bisa mantuan ngurangan otot anu tegang jeung ngaronjatkeun sirkulasi getih dina awak, jadina mantuan ngurangan rasa tegang dina awak nu mindeng disebabkeun ku sabab stres. Olahraga nu teratur oge bisa mantuan ngaronjatkeun kasehatan jantung, paru-paru, jeung otot, jadina mantuan ngaronjatkeun kasehatan sacara kasakabehna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6110", "text": "Poe biasa digawe di kantor teh sok mantak hese neangan makanan mun geus nepi kana jam makan siang. Biasana aya sababaraha kantor anu teu nyadiakeun waktu lila jang isoma, komo nu kantinna jauh ti kantor mah. Biasana ku ngantri rek sholat di mushola atawa masjid ge sok lila, kapeung mah tara sempet jang neangan makan siang sabab sok ngantri, mun ngagofood ge sok lila pisan deuihan. Tah mantakna supaya ngacegah hal jiga kitu deui, yuk biasakeun mekel makanan ti kostan! Mekel ka kantor teh jang makan siang supaya teu nyita waktu loba jeung teu mantak beak waktu istirahat ku ngantri meuli dahareun. Yuk biasakeun mawa bekel ka kantor!", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2641", "text": "Hobi abdi ngajalankeun sanggeus manggihan téhnik ngajalankeun anyar. Saméméhna, stamina kuring rada kurang jeung ngajalankeun ngarasa teu nyaman, tapi ku téhnik anyar, stamina kuring ngaronjat sarta kuring jadi leuwih gancang.\r\n\r\n\r\nJanten sateuacanna kuring lumpat sareng badarat nganggo keuneung sapertos dina gambar kénca. Prestasi kuring biasa-biasa wae. Kuring teras ningali pidéo youtube ngeunaan cara ngajalankeun suku hareup kuring sareng mutuskeun pikeun nyobian.\r\n\r\nPertama kali kuring nyobian éta langkung kagok tapi kumaha waé éta langkung saé sareng langkung gancang. Tapi sanggeus sababaraha waktu eta mimiti ngarasa uncomfortable sarta nyeri dina tendons na luhureun leg kuring.\r\n\r\nKuring ogé maca deui jeung tétéla yén ngagunakeun forefoot diverts dampak lumpat ti tuur jeung hip ka tendons jeung tulang leutik. Ayeuna, kusabab urat-urat kuring biasa santai, janten kuring kaget.\r\n\r\nSaatos 2-3 ngajalankeun kuring biasa sareng mendakan tempat anu amis dimana kuring tiasa ngajalankeun kalayan nyaman. Tétéla éta leuwih torek jeung leuwih lincah ngagunakeun suku hareup jeung tengah kuring sangkan bisa lumpat leuwih jauh. Rekor kuring sajauh ieu 5k dina 27 menit..\r\n\r\nTah enya, tétéla lumpat ogé mibanda téhnik jeung tips, lain ngan saukur lumpat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6484", "text": "Kahirupan di kampung mah sok sagala jadi piomongeun. Malahan mah jeung tatangga ge aya nu nepi ka musuhan teu patanya pisan. Fani teh cicing di salah sahiji lembur di pelosok Jawa Barat. Teuing emang suku Sunda, atawa aya faktor lain, tatanggana teh meuni jiga musuh ka Fani teh. Mun Fani tara bijil ti imah teh tapi ngahasilkeun duit nu loba, disangkana pesugihan, padahal emang gawe Fani teh kan Tiktoker, jadi emang gawena ti studio nu di jero imah. Tuluy mun Fani ka mana-mana ge sok disangka nu lain-lain ku tatanggana teh. Sagala teh teu weleh diomongkeun wae. Mantak Fani teh rada kesel pisan ka tatanggana sabab meuni kitu pisan ka anjeunna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4935", "text": "Kamari mamah masak pais lauk hayam make sorawung. Tah kuring bagean nganteuran pais lauk hayam ka imah nini. Barang nepi ka imah nini, eta pais lauk hayam teh langsung dibuka tuluy dituang ku pun nini. Meuni jiga nu atoheun pisan dianteuran lauk eta teh. Ai pok na teh pedo pisan ceunah rasana. Komo dituangna jeung sangu haneut mah. Nya enya lah kumaha teu pedo, bumbu jeung sorawung na ge meuni sabebedan diwewelkeun kana eta lak hayamna. Puguh we ngeunah pisan rasana. Kuring nungguan nini beres nuang pais lauk hayam tuluy paitan uih deui ka bumi. Tos sore ah, pamitan heula uih bilih kaburu hujan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4213", "text": "Bawang Merah Bawang Putih nyaeta carita rahayat anu asalna ti propinsi Riau. nyaritakeun dua sadulur anu kapribadian sabalikna, jeung indung suku Bawang Putih anu sipatna pilih kasih. Jaman baheula, hirup hiji budak awewe ngaranna Bawang Putih anu cicing jeung indung jeung lanceukna ngaranna Bawang Merah. Indung jeung adina Bawang Putih miboga sipat anu jahat. Maranéhna mindeng milampah goreng ka Bawang Putih, kawas marentahkeun sagala pagawean imah kawas pembantu. Bawang putih di titah titah itu ieu teu padulu kumahha kondisina, samentara bawang merah di nyanyaah di perlakukeun siga ratu. Nepi ka harita bawang putih di titah nyeuseuh ka walugan tuuy baju indung tere na leungit bawang putih neneangan baju eta di timukeun nu nini nini. Bawang putih bageur mantuan mersihan imah nini eat nepika rek balik di bere oleh oleh waluh terus milih anu leutik pas di buka eusi na emas, kajadian eta i carita keun ka indungna tuluy nitah bawang merah ngalakakukeun hal sarua, tai bawang merah kalah ka kedul di mah nini na, maneh na milh waluh anu gede pek di buka eusina kalajengking anu maehan. Pesan moral na nyaeta migawe goreng jeung sarakah bakal meunang naon anu pantes. Sanajan kitu, unggal amal alus bakal mawa hasil alus teuing.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "172", "text": "Salian ti maen sosmed, urang oge mindeng nonton, boh eta nonton film, animasi, atawa nonton Youtube di laptop. Film nu ku urang tonton biasana serial film barat, lolobana nu genre supernatural. Lamun animasi nu keur urang tonton teh Spy x Family, Chainsaw Man, Your LIe in April, Blue Lock, One Piece, jeung animasi nu sejenna nu keur jalan. Lamun Youtube, urang mindengna nonton reaction film/anime, mukbang, vlog jalan-jalan, tuluy nu ayeuna keur mindeng ditonton mah ngeunaan skincare. Kabiasaan urang lamun dahar teh kudu sabari nonton, teuing kunaon tapi karasana teh leuwih nikmat jeung teu karasa piring sametung teh geus beak deui.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5403", "text": "Indonesia mangrupakeun nagara Bhinneka Tunggal Ika nu cukup beragam dina sagala hal, salah sahijina dina agama atawa kayakinan. Sabab kaberagaman agama ieu, ngajadikeun Indonesia gaduh seueur upacara kaagamaan nu beragam jeung nunjukkeun ciri khasna masing-masing. Nu rutin ngayakeun pacara kaagamaan nyaeta umat Hindu di Bali. Upacara kaagamaan diayakeun unggal hari besar agama Hindu. Hal ieu oge jadi salah sahiji daya tarik wisatawan jang ngalakukeun kunjungan ka Bali. Urang salaku masyarakat nu terbiasa ku kebergaman, kedah gaduh rasa toleransi nu tinggi. Ulah dugi ka ngan ngabenerkeun agama mayoritas, sabab agara minoritas eta nu justru ngajadikeun kakayaan kaberagaman di Indonesia. Yuk urang jaga bareng-bareng kakayaan kaberagaman ieu!", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "575", "text": "Ceuk urang mah seni tradisional teh kudu diwanohkeun ka generasi milenial khususna ka barudak leutik. Sabab nu bakal jadi penerusna teh nyaeta maranehna sorangan. Lamun teu diwanohkeun ti keur leutik keneh nepikeun ka iraha oge teu wanoh. Komo deui ayeuna digempur ku media-media barat ngeunaan tari modern contona ti Korea anu digandrungi pisan ku rumaha nepikeun ka dewasa. Tah urang oge ulah eleh ku bangsa deungeun, Indonesia oge salaku nagara anu beunghar ku kabudayaan kudu nunjukeun yen boga loba tarian anu unik teu eleh jeung bangsa sejen. Jadi ayeuna mah carana ku ngawanohkeun ka barudak leutik ngameh bisa tumbuh rasa mikacinta ka kabudayaan sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5802", "text": "Rutin ngalaksanakeun kagiatan olahraga teh bisa ngurangan efek stress dina pikiran. Olahraga teh ngaproduksi seueur pisan energi positif dugikeun ka bisa ngahindari rasa stress dina tubuh. Biasana stress teh disebabkeun loba oikiran atawa tekanan nu dientreupkeun dina jero pikiran tanpa dikedalkeun. Stress oge mun geus akut mah bakal bisa jadi potensi gangguan kejiwaan nu leuwih serius. Jadi, samemeh ngalami gangguan jiwa nu leuwih serius, mending ngahindari stress ku cara dibiasakeun berpikir positif jeung biasakeun rutin olahraga. Tuluy dina kabiasaan sapopoe oge kudu leuwih teratur jeung leuwih terperinci sagalana. Mun geus teratur mah olahragana, bakal bisa ngurangi rasa stress jeung ngubah stress jadi semangat nu leuwih positif.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7954", "text": "Maca buku tiasa janten pilihan kagiatan lamun urang nuju setres. Tinggal milih buku anu pas kanggo urang baca sasuai jeung kaayaan urang ayeuna. Lamun urang nuju butuh motivasi, urang tiasa milih buku motivasi, sabalikna lamun urang nuju butuh hiburan urang tiasa milih buku hiburan sapertos novel atawa komik. Abdi lamun nuju setres oge biasana sok maca novel Sherlock Holmes nyaeta carita detektif di Inggris anu tiasa nuntaskeun sababaraha kasus ku pinterna. Lamun maca buku biasana urang bakalan asup ka dunia anyar nyaeta dunia dina carita anu urang baca. Pas maca oge biasana urang tara ngomong teras fokus maca sanajan aya jalmi anu sanes. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "190", "text": "Ampir unggal weekend lamun teu nyapedah urang biasana olahraga sejen, nyaeta leumpang. Urang olahraga leumpang sok di Kiara Artha Park, anu aya di Kiaracondong lantaran lega jeung loba tatangkalan. Jadi sanajan panas ge teu hareudang. Biasana urang mulai olahragana ti jam 7 isuk-isuk nepi ka jam 8.30. Diditu urang olahraga sok 1 jam, lamun diitung-itung bisa meunang 7 atawa 8 kuliling, sakulilingna 800 meter. Jadi lamun dijumlahkeun aya kana 5 nepi 6 kiloan. Sanajan leumpang, tapi leumpang urang gancang ngabiasakeun diri lamun engke ka luar negeri ngameh teu boyot. Geus beres olahraga urang sok neangan tukang buah, sok meuli cau atawa samangka, ngameh malikeun deui stamina anu ka kuras.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9446", "text": "Budi nyaeta mahasiswa nu keur ngarengsekeun studi di salah sahiji kota gede di Indonésia. Sanggeus lila di kampus, Budi ngarasa kudu liburan sakeudeung keur nyegerkeun pikiran. Anjeunna mutuskeun pikeun liburan ka Tangkuban Perahu, tempat wisata anu kasohor di Jawa Barat. Isuk-isuk, Budi angkat ti kampus ka Bandung nganggo beus. Perjalanan ka Bandung kirang langkung tilu jam, Budi dugi ka Bandung sonten. Saparantos dugi ka Bandung, Budi langsung ka hotel anu tadina dipesan kanggo nyimpen barang-barangna. Rengse, manehna tuluy ngajugjug Tangkuban Perahu. Perjalanan ka Tangkuban Perahu kirang langkung sajam ti Bandung. Budi kalintang bingahna nalika dugi ka Tangkuban Perahu sabab tiasa ningali gunung anu asri tur tiis. Budi leumpang mapay jalan nu ngurilingan gunung. Manehna ngarasa bungah kacida lantaran bisa nempo pamandangan nu asri. Budi oge tiasa ningali haseup kaluar tina salah sahiji puncak gunung anu katelah ku ngaran \"Kawah Ratu\". Sanggeus sapoe nganjang ka Tangkuban Perahu, Budi balik ka hotelna ngarasa bagja pisan. Manehna ngarasa sukur pisan bisa nganjang ka tempat anu endah. Budi bener-bener ngarep-ngarep bisa balik deui ka Tangkuban Perahu di waktu-waktu sejen.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5829", "text": "Di antara deretan merk hape android, anu dinilai boga kamera jernih jeung fofotoan teh nyaeta merk Oppo. Hape merk Oppo boga kaunggulan dina segi kamera sabab diinilai leuwih jernih jeung natural tibatan deretan android sejenna. Salian eta, hape Oppo ge dinilai bisa leuwih awet dina segi katahanan na. Mun rata-rata android teh ngan tahan dua taun, hape Oppo mah bisa nepi ka leuwih ti lima taun. Mun tibeubeut oge tara aya karusakan dina software na, paling retakan dina case atawa layar na hungkul, saleuwihna mah aman keneh jiga fungsi normal. Harga na ge kabilang leuwih mahal ti android sejen sabab emang kualitas na ge lain kaleng-kaleng.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1871", "text": "Nalika ngaliwat ka SD, seueur jajanan nikmat anu sering dibeli ku barudak nyaeta martabak mini. Baheula, jajanan ieu mangrupikeun primadona nalika istirahat. Aya nu dijual di kantin jeung tukang jajanan di luar sakolaan. Rupa-rupa jajanan ieu ogé hargana murah nurutkeun duit saku barudak sakola. Aya jajanan anu rasana asin, lada, sareng amis. Pikeun nostalgia, anjeun tiasa ngadamel nyalira di bumi,. Bahan anu dianggo ogé cukup basajan sareng anjeun tiasa nyiptakeun sasuai karesep anjeun. salah sahijinan nyaeta martabak mini. bahan jeung cara nyieunna nyaeta : siapkeun 200 gr tipung, 50 gr tepung tapioka, 2 sendok gula pasir 2 endog, 2-3 sendok mentega atawa margarin (sesuai selera), tuluy dipanaskeun , 300 ml cai, 1 sendok emameun jang ragi tinggal pake koncarkeun, jeung tmbahkeun1 sdm soda kue, geus kitu tinggal asupkeunTopping nurutkeun rasa, bisa make meises, selei, kéju, nah geus jadi", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "561", "text": "Calung nyaeta alat musik tradisional nu asalna ti Sunda jeung geus berkembang ti baheula keneh di daerah Jawa Barat. Calung biasana dimaenkeun jeung alat musik sejenna nyaeta angklung nu oge mangrupakeun alat musik khas masarakat Sunda. Jenis calung bisa dibedakeun jadi dua jenis, nyaeta calung rantay jeung calung jinjing. Dina pas maenkeunna calung rantay pamaen biasana maenkeun calung rantay ku cara diuk sila sedengkeun calung jinjing pamaen ngajinjing awi nu geus dijajarkeun jeung dipaenkeun sabari nangtung. Awal mulana calung dimaenkeun jang ngiringan upacara-upacara adat Sunda salaku ritual perayaan masarakat Jawa Barat, ngan ku mekarna zaman calung rubah fungsi jadi alat musik nu ngahibur masarakat ku cara ngahasilkeun sora nu endah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4630", "text": "Kulkas mangrupa pakakas anu gunana pikeun manusa, utamana dina hal neundeun kadaharan atawa bahan kadaharan. Ayeuna, ampir unggal imah boga kulkas sareng umumna disimpen di dapur. Fungsiutama kulkas nyaeta minangka tempat neundeun dahareun ti bahan baku, kadaharan atawa inuman anu geus jadi. , Kulkas ogé bisa dipaké pikeun nyimpen barang-barang séjénna saperti obat-obatan komo perawatan kulit pikeun meunangkeun mangpaat ngagunakeun krim peuting sabab ngajaga kualitasna. Pikeun ngajaga kadaharan seger Kasegaran bahan-bahanna bakal mangaruhan rasa kadaharan anu bakal diproduksi. Bahan pangan sapertos buah, sayuran, daging atanapi lauk tiasa tetep seger upami disimpen dina kulkas. Dipaké pikeun nyieun és batu atawa ngabekukeun naon wae mislna lamun hayang meuli es krim atawa lamun rek ngajieun sesuatu bisa di bekukeun dina freezer dina jero kulkas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3891", "text": "Donat, atawa donat, nya éta jajanan amis basajan anu kungsi populer pisan. Donat bentukna buleud kalayan liang di tengahna jeung rupa-rupa topping anu ngajadikeun donat nikmat. salaku camilan sarta bisa dinikmati iraha wae, utamana lamun dilayanan haneut. Disagigireun bisa dijadikeun pangembat rasa lapar, donat ogé bisa dijadikeun menu pilihan sarapan. Salian nikmat, donat ogé cukup praktis pikeun dinikmati salaku gaganti roti. Nepi ka ayeuna, asal muasal donat masih kénéh didebatkeun. Kusabab konsép adonan roti goreng teu dipiboga sacara éksklusif ku hiji nagara atawa budaya jeung variasi masakan kawas donat kapanggih di sakuliah dunya. Sanajan kitu, aya sababaraha kajadian anu menonjol dina sajarah lahirna donat sakumaha anu urang kenal kiwari.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6491", "text": "Basa nuju muncak ka Gunung Gede, Reyna teh hampir keuna ku hipotermia. Jadi, sanepina di alun-alun Suryakencana teh tuluy Reyna jeung babaturanna ngadirikeun tenda. Pas tenda geus jadi buru-buru masak jang makan malam. Pas mimiti pisan rek reup sare, Reyna kena hujan badai. Saisi tendana teh rembes ku cai hujan, tendana nepi ka kaseok ku angin gede pisan. Suhu jadi makin tiris maju ka peutingkeun. Reyna tengah peuting geus hujan badai teh kacida ngagigilna, hampir kena hipotermia. Untungna babaturanna sigap, langsung ngahurungkeun kompor dina dapur tenda supaya bisa dipake siduru. Tuluy we Reyna sapeupeuting siduru didinya saberes hujan badai teh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "826", "text": "Fajar Alfian atlet bulu tangkis anu dipasangkeun jeung Rian Ardianto salaku wawakil ti Indonesia anu maen dina regu ganda putra. Sabenerna Fajar geus resep kana bulu tangkis ti mimiti SD. Mimitina resep kana bulu tangkis teh lantaran manehna mindeng ninggali bapana jeung lanceukna maen bulu tangkis. Tuluy Fajar gabung jeung klub bulu tangkis di kampungna. Saenggeus eta, Fajar Alfian gabung di Pelatnas atawa pusat pelatihan nasional ti 2014. SAlah sahiji prestasina nyaeta meunangkeun medaki perak Asian Games 2018 jeung Rian Ardianto. Teu ngan saukur atlet, Fajar oge mibogaan coffee shop di Bandung nu ngaranna Fajri. Ngaran Fajri ieu singkatan Fajar jeung Rian.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1542", "text": "Inget keneh harita pas keur can bobogohan mah, urang rangking teh tara asup ka 10 besar. Teuing kunaon tapi karasa euweuh motivasi. Tapi saprak bobogohan jeung manehna, komo manehna mah rangking 1. Urang jadi mindeng diajarkeun ku manehna atawa diajar bareng di kelas pas keur istirahat, jadi istirahat teu kaluar lantaran geus mawa bekel sewang-sewangan ti imah. Anu akhirna mah pas nilai akhir, urang reuwas langsung rangking ka-3. Batur ge teu nyangkaeun naha urang berkembangna pesat, tapi ku sabab cinta mah naon sih nu teu bisa dilakukeun? Saprak bobogohan teh urang lainna jadi males diajar, tapi malah sumanget diajarna ngarah bisa ngaleuwihan manehna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6741", "text": "Bandung kasohor ku tempat wisata na anu unik-unik. Komo kanggo nu resep popotoan. Poto alam, gunung, jeung hutan mah tos biasa. Hayu urang nyobian ka Upside World Bandung. Sami jeung nami na, tempat ieu magrupakeun tempat wisata poto anu nyuguhkeun poto tibalik anu anu seeur di datangan, utama na ku barudak ngora. Biaya asup ka museum ieu nyaeta genep puluh rebu kanggo dewasa, opat puluh rebu kanggo murangkalih. Tempat ieu kaidean ti pilem hollywood anu judulna Upside Down. Pas pertama kali lebet ka museum urang bakal ngarasa lalieur lantaran sadayana disusun tibalik. Upami panasaran, enggal langsung ka Jl. H. Wasid no. 31.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7922", "text": "Isuk-isuk pas abdi nuju siap-siap angkat ka sakola aya sora ribut di luar imah. Teras di dinya oge seeur pisan wargi anu ngarumpul di hareupeun imah. Abdi oge panasaran aya kajadian naon di dinya, teu lila aya pulisi anu mawa batas pulisi di imah eta. Ti dinya abdi mikir pasti aya kajadian kriminal. Pas balik ti sakola abdi meunang carita ti mamah yen jalmi anu aya di imah eta teh dipaehan ku batur ku cara dicekek make kabel mejikom. Abdi sieun pisan ngadangu carita eta lantaran biasana ngan ningal carita dina tipi hungkul. Abdi langsung ditiah ati-ati ku mamah bisi aya kajadian deui. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6531", "text": "Mun poe Minggu teh sok diayakeun kerja bakti meresihan makam nu aya di kampung. Kadang osok oge meresihan tempat pamuangan sampah atawa ngaberesihan sapanjang sisi jalan. Tah Minggu ayeuna mah kabagean meresihan makam, Deris teu bisa hadir sabab anjeunna sieuneun pisan min nempo makam teh. Biasana mah Deris sok milu kerja bakti, ayeuna mah sabab sieun nempoe makam, jadi we teu milu meresihan makam, ngan milu nyumbang susuguh hungkul jeung nu kerja bakti. Kitu na mah da geus loba pisan nu kerja baktina, aya budak ngora nepi ka kolot oge aya. Biasana mun geus beres kerja bakti teh sok disuguhan parasmanan ku ibu-ibu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7065", "text": "Maulid nyaeta mieling poe Maulid Nabi Muhammad SAW, anu di Indonesia hajatan ieu teh dipieling unggal tanggal 12 Rabiul Awal dina kalender Hijriyah. Kecap maulid atawa milad dina basa Arab hartina ulang taun. Mieling Maulid Nabi téh tradisi anu seeur dilakukeun di masarakat Islam lila sanggeus wafatna Nabi Muhammad SAW. Sacara substansi, kagiatan ieu mangrupa ekspresi kagumbiraan jeung rasa hormat ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Mepeling Maulid Nabi SAW mangrupikeun salah sahiji hal anu ngangkat sareng ngamulyakeun anjeunna. Mepeling Maulid Nabi teh mimitina mah diemutan ku Raja Irbil (Irak kiwari), anu ngaranna Muzhaffaruddin Al-Kaukabri, dilakukeun dina awal abad ka-7 Hijriah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3601", "text": "Perasaan setrés anu kaalaman ku hiji jalma mangrupikeun hal anu normal nalika aya jalma dina kaayaan tekenan atanapi kapaksa tiasa adaptasi dina waktos anu pondok. Nanging, bahaya setrés dina jangka panjang bakal ngajantenkeun jalma ngalaman sagala rupa masalah kaséhatan anu tiasa ngaganggu kagiatan sapopoé.\r\nKalayan pamahaman di luhur, penting pikeun urang langsung nungkulan setrés anu urang karasa. Ieu di handap aya sababaraha kagiatan anu bisa dilakukeun pikeun ngungkulan kakeuheul alatan stress, diantarana:\r\n1. Ngaronjatkeun ibadah ka Gusti Nu Maha Suci\r\n2. Ngajaga kaséhatan kalayan rutin olahraga, sapertos leumpang sareng bersepeda, ogé nyumponan kabutuhan bobo sareng tuangeun gizi anu saimbang.\r\n3. Ngalakukeun hobi anu cocog sareng minat sareng bakat anjeun\r\n4. Pikirkeun hal-hal anu pikaresepeun dina kahirupan\r\n5. Ngawangkong ngeunaan parasaan jeung keluhan ngalaman ka batur anu bisa dipercaya.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2814", "text": "Numutkeun panalungtikan, sakitar 40% tina 4,2 juta PNS ngandelkeun prosés manual pikeun ngalaksanakeun pagawéan di bagian administrasi. Asistén administrasi ieu kalebet kagiatan dokuméntasi sapertos nyimpen sareng ngatur file, mariksa dokumén, nyortir dokumén penting pikeun diarsipkeun, ngadamel surat penerbitan resmi pikeun tugas pamaréntah, sareng seueur deui. Kagiatan ieu ngabutuhkeun pisan waktos upami dilakukeun sacara manual. Bayangkeun aya ratusan dokumén kertas anu asup pikeun diurus unggal dintenna, sanés deui tugas-tugas sanés anu kedah dilakukeun ku PNS. Sigana, ngalakukeun sadayana sacara manual henteu efektif deui. Ngaotomatisasi prosés bisnis (Robotic Process Automation) kalayan Artificial Intelligence, atanapi anu ayeuna katelah Cognitive Automation atanapi Intelligent Automation ayeuna mangrupikeun solusi anu dilaksanakeun ku seueur pihak pikeun ngabantosan prosés bisnisna, kalayan kecap sanésna pikeun ngabebaskeun aranjeunna tina waktos anu nyéépkeun waktos. tugas. tur pajeulit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4206", "text": "Kampuang nan jauh di mato mangrupa salah sahiji tembang rahayat anu geus dekeut di masarakat Indonesia. Rumpaka kampuang nan jauh di mato. Lagu Kampuang nan jauh di mato ieu karangan musisi oslam husein, mangrupa lagu anu asalna ti wewengkon minang sumatera barat. Lagu rahayat kampuang nan jauh di mato nyaritakeun ngeunaan karinduan saurang perantau ka lembur atawa kampung halamanna. Jelema anu hirup jauh ti lembur bener-bener sono ka lemburna, sono ku kaendahan alam na ka karamahan masarakat na anu bageur gotong royong anu solidatitas susah senang babarengan, tuluy sono ka indung bapana nepi ka ngabayangkeun yen jelema anu di leburna asa ngagupayan nitah balik sangking ku sono na.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8810", "text": "Nalika naros pun biang saha olahragawan anu dipikararesep ku anjeuna, ema nyaur, saurna anjeuna mah resep pisan ka Liem Swieking. Liem Swieking the salah sahiji pamaen bulu tangkis anu prestasina kasohor di era taun 80 an. Dedegana jangkung, kulitna bodas tur pangambungna bangir. Salian ti eta rambutan nu ikal nambah nyari kana rupana nu kasep. Liem lahir di Kudus, Jawa Tengah dina bulan Pebruari taun 1956. Prestasi munggaran nu dicapai ku dirina nyaeta nalika anjeuna ancrub dina kajuaraan bulu tangkis sa-Jawa Tengah. Anjeuna kenging thropy juara kahiji. Ti dinya, prestasi anjeuna terus nanjeur tug nepika jadi juara All England tilu kali noron, nyaeta dina taun 1978, 1979, jeung taun 1980. Eta pisan nu ngajadikeun anjeuna jadi olahragawan pavorit pun biang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4229", "text": "Babaturan urang kamari karek balik ti lemburna di Medan datang jeung mere oleh-oleh Bika Ambon, ehh ngarana bika ambon tapi lain ti ambon nya. Bika ambon ieu ka asup kue atawa jajanan anu bisa di jadikeun pikeun oleh oleh ti Medan Sumatera Utara. Rasa Bika ambon amu enak, hipu jeung amis loba di pikaresep ku batur. Bika ambon cocok di jadikeun cemilan lamun sore kitu bari ngopi atawa nginum cai teh. Cocok jad batur ngerjakeun tugas atawa batur ngobrol. Kue Bika ambon di jieun tina tipung. Kue Bika ambon ieu bisa tahan lila matakna bisa di jadikeun oleh oleh keur dulur atawa babaturan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5441", "text": "Nyanyikeun lagu daerah mangrupakeun salah sahiji kabanggaan jang sasaorang. Tah ieu tips supaya penampilan urang mawakeun lau daerah bisa alus maksimal. Nu kahiji nyaeta apalkeun lirik lagu jeung pahami maknana. Nu kadua nyaeta pelajari bahasana supaya teu salah ngucapkeun kata komo mun salah nanyanyikeun na. Nu katilu nyaeta pahami irama jeung tempo lagu daerahna. Ieu penting pisan kangge apal ekspresi nu pas jeung ngaruh oge ka intonasi nu didugikeun. Nu kaopat nyaeta tong hilap kedah rajin olah vokal samemeh tampil supaya teu sumbang pas hari H. Nu kalima nyaeta pastikeun sagala kasiapan na geus matang, tina sora, kasehatan, mental, jeung penampilan. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5331", "text": "Nabi jeung rasul nyaeta manusa pilihan anu diutus ku gusti Allah jang nyampaikeun wahyu ka umat manusa supaya bisa ngajalani kahirupan kalayan bener. Nabi nu kahiji nyaeta Nabi Adam AS, nu kadua nyaeta Nabi Idris AS, nu katilu nyaeta Nabi Nuh AS, nu kaopat nyaeta Nabi Hud AS, nu kalima nyaeta Nabi Sholeh AS, nu kagenep nyaeta Nabi Ibrahim AS, nu katujuh nyaeta Nabi Luth AS, nU kadalapan nyaeta Nabi Ismail AS, nu kasalapan nyaeta Nabi Ishak AS, nu kasapuluh nyaeta Nabi Yaqub AS, nu kasabelas nyaeta Nabi Yusuf AS, nu ka dua belas nyaeta Nabi Ayub AS, nu ka tilu belas nyaeta Nabi Syuaiban AS, nu ka opat belas nyaeta Nabi Harun AS, nu ka lima belas nyaeta Nabi Musa AS, nu ka genep belas nyaeta Nabi Ilyasa AS, nu ka tujuh belas nyaeta Nabi Dzulkifli AS, nu ka dalapan belas nyaeta Nabi Daud AS, nu ka salapan belas nyaeta Nabi Sulaiman AS, nu ka dua puuh nyaeta Nabi Ilyas AS, nu ka dua puluh hiji nyaeta Nabi Yunus AS, nu ka dua puluh dua nyaeta Nabi Zakaria AS, nu ka dua puluh tilu nyaeta Nabi Yahya AS, nu ka dua puluh opat nyaeta Nabi Isa AS, nu ka dua puluh lima atawa terakhir nyaeta Nabi Muhammad SAW. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1936", "text": "Kapungkur, waktos abdi alit, abdi diajak jalan-jalan ka pantai, angkatna jam 9 énjing dugi ka jam 5. tapi teu katinggaleun Kira-kira jam 18.00, ahirna kuring jeung kulawarga bisa lalajo surup. Hebatna, Panonpoé Panonpoé Panonpoé Tilelep pas di tengah laut, sampurna pikeun urang tingali ti basisir, karasa haté téh tenang, jeung urang ogé nyéépkeun waktu pikeun motret kalawan backdrop Panonpoé Tilelep, pikeun kuring pribadi. bade ka Pantai Pangandaran mangrupikeun salah sahiji pangalaman anu paling pikaresepeun.pangeling-eling anu kantos ditulis sareng kuring nyarios ayeuna. Anjeun tingali, kuring mimiti ningali pantai.pas umur sapuluh tahun, bari baliknateh meuli kerang jeung hiasan laut-laut nu biasa dipake tetekongan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4152", "text": "Sikep tawakal mangrupa salasahiji sikap anu ngagambarkeun kana tingkat kaimanan saurang muslim. Kusabab teu bisa dipungkiri yén dina sagala rupa kaayaan, nempatkeun kapercayaan anjeun di dinya bisa jadi hiji hal anu karasaeun hésé ngalakukeun. Kusabab salaku jalma biasa, masih seueur hal anu tanpa disadari ngajantenkeun diri ka batur nu sejen ngaharepkeun ka batur. Sok aya rasa kasieun, teu enakeun nepi ka tuntungna kapikiran nu teu puguh. etateh salah sahuji sikap can bisa tawakal. Urang muslim kudu ngabogaan sikep tawakal sanajan dina jero haté, saurang muslim tangtu yakin yén Allah SWT Maha Kawasa. Urang ulah ngararepkeun nanaon ka salian gusti Allah. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6626", "text": "Dua poe ka tukang, abdi sareng rerencangan emam di Richeese Factory. Ieu pangalaman pertama abdi emam di tempat, biasana ngan mesen di aplikasi, abdi sareng rerencangan mesen hayam lada level dua, tapi ternyata level dua oge tos lada pisan, untung aya saos kejuna. Hayamna bararadag, kulitna oge lumayan kandel janten saosna seeur pisan dina kulitna. Ceuk rerencangan abdi anu mesen hayam level hiji, rasana leuwih manis ti level dua nu lada pisan kacida. Hiji paket hayam tos dipasihan sangu sareng minuman, asalna mah minuman na teh minuman warna ping, tapi abdi kirang resep minuman eta lantaran rasana sapertos marjan anu dicampur susu, janten minuman na digentos ku enteh anu aya rasa bubuahan na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7042", "text": "Salah sahiji Nabi anu pang sabar na nyaeta Nabi Nuh, lantaran ti mang taun-taun manehna dakwah, nepikeun ratusan taun, Nabi Nuh ngan gaduh sakedik pisan umatna. Hiji waktos, Allah marentahkeun Nabi Nuh pikeun nyieun bahtera atawa kapal anu badag pisan. Salila opat ratus taun Nabi Nuh ngabangun bahtera, seeur jalmi anu moyokan anjeunna lantaran teu percaya bakal aya banjir badag, tapi Nabi Nuh jeung pangikutna teu ereun ngabangun bahtera eta unggal poe nepikeun banjir datang, Nabi Nuh tos ngalebetekeun sadaya pangikut jeung sasatoan anu seeur pisan, tapi pamajikan jeung putrana nolak asup ka bahtera eta janten manehna kabawa ku cai banjir.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7388", "text": "AB Roller mangrupikeun alat latihan anu gaduh seeur mangpaat sareng gampang dianggo. Upami urang mineng latihan rutin, AB Roller tiasa nguatkeun otot beuteung sareng ningkatkeun kalenturan otot. Salian ti nyiapkeun AB Roller, urang oge kedah milih tempat nu datar tur cukup badag pikeun latihan. Ab roller nyaeta alat-alat latihan dilengkepan roda di tengah jeung cepengan dina dua sisi. Salian ti mangpaat kanggo otot beuteung, alat olah raga ieu oge bisa nguatkeun otot panangan, taktak jeung tonggong handap lamun dipigawe kalayan sae jeung bener. Adidas AB Roller mangrupikeun produk anu dirancang pikeun nguatkeun otot dina beuteung. Dua gagang dina sisina dilengkepan ku busa anu tiasa ngajadikeun urang nyaman nalika ngalaksanakeunana.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7060", "text": "Lamun Alloh nuju nyaah ka hiji hambana, Alloh mah moal masihan dunya, tapi sabalikna Alloh bakal masihan musibah ka manehna, supados ku musibah eta teh janten sarana hambana leuwih dekeut ka Alloh, kusabab Alloh teh sok timburu, zat anu Maha Timburu. Supados urang teh teu mikiran dunya we hayoh, tapi mikiran Alloh teras. Lamun tos dekeut ka Alloh, sadayana anu dianggep kirang eta teh bakal diangsulkeun deui ku Alloh ku nu langkung sae. Janten, lamun urang keur nyanghareupan musibah tong sedih, eta teh janten tanda yen Alloh teh masih keneh nyaah ka urang. Sabab urang kapir mah moal dipasihan musibah, tapi dipasihan nu ngeunah lantaran ngkena bakal dipasihan azab ku Alloh. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8080", "text": "Kalistenik ngabogaan kaunggulan dibandingkeun sareng angkat beban. Kalistenik boga risiko cidera nu leuwih leutik kusabab gerakanna nu ngandelkeun berat awak. Olahraga ieu ge leuwih mirah dibandingkeun angkat beban kusabab teu ngabutuhkan alat-alat nu sagala rupa aya dina gym. Upami ngalakukeun olahraga ieu tiasa ningkatkeun kaseimbangan sareng koordinasi otot-otot dina awak. Otot nu kabentuk ti olahraga ieu leuwih proporsional sareng bentuk awak, janten awak teh katempo leuwih alus bentukanna. Kalistenik tiasa dilakukeun ku sagala kalangan jalmi rek nu ngora atanapi kolot tiasa kusabab gerakanna rupa-rupi ti mimiti nu gampil nika nu hese. Hiji deui kaunggulan kalistenik ti angkat beban nyaeta olahraga ieu tiasa dilakukeun dimana wae, teu sapertos angkat beban nu kudu ka gym.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2257", "text": "Kacaritakeun Khidir teh saurang prajurit anu hirup dina jaman Prabu Dzulkarnain, raja anu kacida hade jeung wijaksana. Raja Dzulkarnain dipercaya mangrupa jalma anu geus nyieun benteng/wates antara kahirupan manusa jeung Ya’juj jeung Ma’juj kalawan idin Alloh SWT. Balik deui kana carita Khidir a.s, dina lalampahan kalawan rombongan tentara Prabu Dzulkarnain pikeun manggihan cai ainul hayat (Musim semi hirup langgeng). Dina hiji guha di jalan, khidir dipingpin ku kersa Alloh pikeun misahkeun dirina tina golongan tuluy manéhna anu meunang cinyusu hirup langgeng. Anjeunna nginum eta, sarta hirup langgeng nepi ka poé anu geus ditangtukeun ku pangaweruh Allah SWT. Anjeunna diajarkeun langsung ku Alloh SWT elmu-elmu anu luar biasa anu umumna kaharti ku manusa.Dina carita Musa a.s, khidir jadi guru Nabi Musa, anjeunna ngajarkeun ngeunaan kasabaran sangkan bisa nuturkeun jeung meunang pangaweruh leuwih ti Khidir. Dina carita-carita séjénna loba carita Khidir papanggih jeung para Nabi, Wali, jeung jalma-jalma soleh. Dina pendak sareng Khidir a.s gaduh makna sareng hikmah anu jero. Nepi ka ayeuna Khidir dipercaya masih hirup, sarta masih terus mawa risalah Ilahi.\n\nWallahu 'a'lam bishowab....", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4267", "text": "Peran lembaga adat kacida pentingna pikeun ngabina jeung ngadalikeun paripolah warga masarakat ameh luyu atawa nurut jeung katangtuan adat. Katangtuan adat pastina di jieun anu tujuanna pikeun kabajikn, pikeun ngamumule adat ameh bisa keneh terus aya keur kahareupna. Aya loba katangtuan adat anu di wangun, sara umumna mah sarua, lamun aya parbedaan paling oge dina carana hungkul anu di sasuaikeun jeung situasi jeung kondisi daerah na. Salah sahiji kantangtuan anu di wangun nyaeta katangtuan kontrol sosial, anu di hareupkeun kontrol sosial ieu bisa ngawangun karakter masakarat leuwih alus jeung hade, teu ngalakukeun pelanggaran kusaba pasti aya palaksanaan sanksi dina bentuk denda, pangaluaran ti lingkungan adat, atawa teguran.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4975", "text": "Ketering nyaeta salah sahiji pagawean masak anu nyanggupan masakan dina jumlah gede atawa biasa disebut jumlah partai. Ketering biasana nyiapkeun masakan dina syukuran, hajatan, atawa acara-acara gedean nu ngondang loba jelema. Kamari kuring ulin ka imah bibi nu kabeneran muka ketering. Walah, eta pagawean nana masak dina alat-alat nu kacida baradagna. Ningali na ge asa ku harebat bisa masak sakitu lobana bahan dina alat nu sakitu gedena, tuluy dibagikeun deui kana wadah-wadah leutik. Kuring nyobaan ngabantuan ngocek-ngocek sayur sop. Karek ge lima menit raray teh meuni asa panas karerab jeung cangkeul leungeun da susuk na ge meuni badag pisan. Uyuhan eta nu tim ketering masak unggal poe, karuatan pisan. Salut pokok na mah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3955", "text": "Sabtu kamari uarang jeung dua dulur uang ti bekasi arulin ka bandung. Di bandung urang ulin ka orchid forest cikole, nyaeta tempat wisata alam nu viral kamari kamari. Urang mangkat ka bandung naek kareta ti bekasi. Lila waktu perjalanana kurang leuwih 2 jam satengah. Di orchid forest cikole urang kabehan sibuk foto foto pemandangan na alus pisan ka tata rapih, tempat na oge bersih, spot fotona aralus pisan jeung instagramable. urang kabehan oge loba ningali batur aya nu foto prewed jeung siga aya nu keur syuting, saking alus na pemandangana orchid forest sering di jadikeun latar syuting. Urang kabehan teu bisa lila- lila di orchid forest soalna rek buru buru balik deui ka bekasi. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2654", "text": "Ieu kudu ngaku yen téknik ngojay ditangtoskeun rada hese ngawasaan lamun ogé teu diajar ngojay bener. Keur kitu, éta mangrupakeun ide nu sae pikeun diajar ngojay dina hidayah ti palatih nu ahli. Manggihan palatih ngojay nu fits kriteria Anjeun. Naroskeun seueur patarosan sareng konsultasi sateuacan anjeun mutuskeun diajar ngojay sareng palatih.\n\nDina pasamoan kahiji, palatih biasana bakal nyieun assessment ku nempo réaksi anjeun sarta kamampuhan pikeun salamet di cai. Kalayan ieu, palatih tiasa nangtukeun program latihan anu pas.\n\nPalatih ngojay profésional umumna peryogi ngeunaan 12 sesi latihan sateuacan batur tiasa ngojay. Sababaraha urang tiasa gancang ngawasaan téknik ngojay, tapi aya ogé anu peryogi langkung waktos pikeun bersantai di cai sareng koordinat gerakan anggota awakna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1175", "text": "Ningkatkeun skill mangrupakeun hal anu dasar jeung wajib dipikanyaho ku pebisnis. Lamun mibogaan tingkat skill nu kuat, urang bakal bisa ngontrol karyawan, time management, nepikeun money management ngameh teu kajadian situasi nu kacau. Tuluy naha urang ayeuna masih ngalaman omzet nu naek turun, teu mibogaan waktu, jeung pelayanan bisnis nu teu konsisten? Mun kitu kudu ngamaksimalkeun tingkatan skill ngameh teu kajadian rugi nu leuwih gede saacan meunangkeun untung nu optimal. Saenggeus urang apal cara nyanghareupan karugian dina perusaan, tuluy pastina urang mikir kumaha cara ngaminimalkeun karugian perusahaan? Lamun urang tenang nyanghareupanna tangtuna masih bisa terkendali jeung masih bisa diomean pas keur rugi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5461", "text": "Keris pusaka teh sok dimandian dina waktos malam 1 suro, tah ieu tata carana. Nu kahiji nyaeta siapkeun baskon tuluy eusian make cai jeung kekembangan. Adukeun heula nepi ka kembangna rata. Geus kitu, anclomkeun kerisna dina kaayaan ditutup ku sarungna. Basuh keris nepi ka beresih. Tos kitu, usapan keris make calingcing. Tuluy bilas deui make cai kembang. Terus keris dielapan make kaen mori supaya garing.Tong hilap olesan make minya melati atawa zakfaron. Tos eta puter keris dina luhureun haseup dupa kai gaharu, usahakeun kabeh bagean keris kahaseupan. Tos kitu mah tinggal simpen keris di tempat nu garing jeung tempat nu pantes merenahna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5371", "text": "Mun hari H Idul Adha teh sok digelar sholat sunah Idul Adha di masjid atawa lapang nu aya dilembur satempat. Beres sholat sunah teh sok diayakeun penyembelihan sato qurban. Biasana digelar di halaman masjid nu lega atawa di tempat lain nu memadai. Sato qurban na teh kambing atawa domba jeung sapi. Dikumpulkeunna sapoe samemeh lebaran. Pas lebaran teh dipeuncit si eta sato teh. Samemeh dipeuncit, sadaya nu qurban na dikempelkeun heula kangge nyaksian penyembelihan sareng ijab kabul. Beres eta langsung we sato dipeuncit. Tuluy sagala rupa na diuruskeun jeung dipotongan. Geus kitu, ditimbangan supaya rata jeung adil terus dikeresekan. Beres dikeresekan mah langsung dibagikeun ka masyarakat satempat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4134", "text": "Dina agama budha aya nu ngarana hari kanitha, teu loba batur anu apaleun bahwa hari besar anu ngarana hari kanitha kusabab hari kanitha teu di asupkeun ka kalender masehi jeung teu di jadileun hari besar nasional jadi eweh cuti bersama. Hari kanitha mangrupakeun salah sahiji hari besar dina agama Budha. Kanitha teh nyaeta dilaksanakeun minangka ekspresi jeung rasa sukur pikeun umat Budha ka anggota sangha atawa bikhu anu geus lulus tina massa vassa tilu bulan di daerahna. Hari kanitha di rayakeun umat buddha ku merekeun hadiah dina bentuk barang anu diperlukeun ku sangha saperti jubah, tuangeun, ubar atawa imah (kuti) bisa oge lamun rek nyumbang dina bentuk duit ka anggota Sangha.Pokona mah mere kabutuhan kabutusan pokok ka sangha, kusabab sangha teu bisa di gawe saperti biasana jeung kudu ngabdi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "856", "text": "Belgia ngelehkeun Jepang ku skor 3-2 dina salah sahiji laga nu paling rame di Piala Dunia 2019. Lima gol eta dina hiji laga kacipta di babak kadua, kaasup gol penentu kameunangan nu muncul di menit akhir injury time. Kameunangan Belgia ieu dimeunangkeun ku kajelian pelatih Roberto Martinez ngalakukeun pergantian pamaen. Fellaini jeung Chadli nu asup di tengah babak kadua nyetak gol anu jadina Belgia berhasil bangkit anu sememehna mah katinggaleun 2 gol ku Jepang. Saenggeus skorna sarua 2-2 di injury time, Jepang boga kauntungan lantaran meunangkeun tendangan bebas teu jauh tina kotak pinalti. Tapi Keisuke Honda anu nembakna teu asup, tuluy akhirna mah Belgia ngalakukeun serangan balik. Di menit akhir Belgia ngasupkeun gol penentu kameunangan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "497", "text": "Masigit mangrupakeun tempat ibadah nu mindeng didatangan unggal poe. Rutinitas nu mindeng ieu tangtuna aya dampakna kana kaberesihan karpet masigit. Lamun teu diberesihkeun sacara teratur, tangtuna karpet masigit bisa jadi kotor. Aya sababaraha cara ngameh karpet masigit bisa tetep seungit jeung beresih tiap waktu. Nu kahiji sadiakeun kekesed paranti suku di hareupeun masigit. Tujuanna ngarah saacan batur asup ka masigit, maranehna nincak kekesed heula. Nu kadua beresihkeun karpet unggal poe, alusna ngagunakeun vacuum cleaner nu kualitasna alus ngameh teu ngaruksak tekstur karpet. Ulah poho oge kanggo ngumbah sacara berkala. Gunakeun oge detergen nu dijieun khusus jang karpet ngarah warnana teu pupus. Mun geus diseuseuh kari dipoekeun karpetna sacara rutin.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8830", "text": "Renang teh mangrupa salah sahiji olahraga anu loba mangpaatna pikeun kasehatan urang. Ngalakukeun latihan ngojay bisa nyieun sirkulasi pernapasan urang leuwih lancar, sarta ieu ogé pohara alus pikeun penderita asma. Latihan ngojay ogé bakal ngajantenkeun awak urang langkung jangkung, sabab sadaya bagian awak urang gerak. Kauntungan sejen nyaeta bisa nurunkeun beurat badan, kusabab ngojay ngagabungkeun awak handap jeung awak luhur sakaligus, sarua jeung latihan awak pinuh. Nalika di cai, henteu ngan ukur latihan kardio anu saé, éta ogé ngabantosan awak janten langkung séhat. Salajengna nyaéta ningkatkeun kaséhatan jantung. Latihan fisik dina bentuk ngojay ngalibatkeun sakabéh otot, kukituna ngadorong jantung digawé pikeun ngaronjatkeun aliran getih sakuliah awak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3969", "text": "Bobobox Pods Paskal mangrupikeun hotél kapsul bobobox Pods Paskal anu alus sareng nyaman di Bandung. Harga na oge kaetang murah mun di banding ku sagala fasilitas nu tos ada, harga na nyaeta dimimitian ti Rp 92.728 per wengi. Fasilitas na nyaeta pisan loba pisan jeung kualitas kamar na alus, fasilitas, sarta ogé loka na nu deukeut kaman wae. Kabéh kamar nu disadiakeun henteu ngan alus tapi ogé aman tur nyaman jeung sagala rupa jenis. Kamar-kamar ieu diwangun ku 4 jenis, nyaéta tipe standar, single, deluxe, sarta ogé ganda. Lokasina caket kana sababaraha tujuan anu pikaresepeun sareng ogé sababaraha pusat balanja. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2242", "text": "Cara wudhu anu bener luyu jeung tuntunan Islam kudu diperhatikeun sacara saksama. Pangaweruh ngeunaan tata cara wudhu penting pisan pikeun nyaho sabab wudhu mangrupa salah sahiji faktor dikabulkeunana solat urang. Hal ieu kaunggel dina pidawuh Rosululloh SAW dina hadits kieu: Allah moal nampi solat salah saurang di antara aranjeun lamun manehna geus hadats nepi ka manehna wudhu.\" (Bukhari) basmalah dina tiap-tiap lengkah. Ieu léngkah-léngkah pikeun jalan anu bener. tina wudhu:\nMaca niat\nCuci leungeun anjeun nepi ka antara ramo anjeun 3 kali\nNgumbah 3 kali\nBersihkeun liang irung ku cara nyeuseup cai kana irung tuluy diciduhkeun 3 kali\nNgumbah beungeut ti ujung sirah nepi ka handap gado 3 kali\nCuci dua leungeun nepi ka siku 3 kali\nNgusap sirah 3 kali\nNgusap duanana ceuli sakaligus 3 kali\nNgumbah suku nepi ka ankles atawa anak sapi dituturkeun ku toes antara ramo 3 kali\nTeras diteruskeun ku dua saatos wudhu", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2740", "text": "Unggal Daimyo di Shogun 2 boga wewengkon nu disebut propinsi. Propinsi ieu pasti bakal boga tatanggana jeung propinsi séjén anu nyoba ngaranjah kabeungharan anjeun sarta wilayahna Ku alatan éta, geus jadi tugas utama hiji Daimyo pikeun membela wewengkonna tina serangan musuh, ngamekarkeun potensi alam na, ngatur rahayat, ngawangun fasilitas nu nguatkeun ékonomi, ngatur perdagangan jeung pulitik. Aya seueur tugas Tah, éta résiko janten pamimpin dina jaman anu paling berdarah dina sajarah Jepang. Kaulinan dina mode ngatur propinsi ngasuh hiji kasaruaan tinggi jeung kaulinan dina ngamekarkeun Peradaban. Anjeun tiasa ngatur kalawan bébas (tanpa wates waktu) sagalana patali propinsi. Ieu bisa lumangsung alatan dina waktu ieu kaulinan ngagunakeun wangun konsep turn base stategi atanapi TBS nu nyiaptakeun kondisi unik di game shogun 2.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5808", "text": "Di lembur abdi mah mun aya timnas Indonesia maen teh bakal ngagelar layar gede jang nongkrong bareng, katelahna ku istilah nobar. Tah kagiatan nobar ieu teh biasana dilaksanakeun di balai musyawarah atawa di bale imah warga anu lalega. Nobar ieu teh sok diinisiasi ku barudak ngora nu aya di lembur. Bahkan lain wae timnas nu maen, mun tim persib nu maen ge sok ngayakeun nobar. Nobar ieu teh diayakeunna nurutkeun jadwal pertandingan. Biasana mah malahan rame penonton na teh sok kadangu nepi ka imah warga nu jarauh, saking ku hebohna komo mun berhasil nyetak gol mah, pasti we bakal ngagarorowok.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7952", "text": "Balanja oge janten salah sahiji cara ngaleungitkeun setres, tapi lamun urang teu gaduh artos bisa wae urang ngan ningal hungkul, balanjana engke deui lamun tos gaduh artos. Balanja kanggo kabutuhan di hiji sasih oge mangrupakeun hal anu pikaresepeun asalkan urang kedah nyieun heula daptar balanjaan urang, ulah leuwih ulah kirang pokonamah kedah sasuai. Komo lamun balanjana seeur pasti urang moal cicing di hiji tempat, tapi bakala pupuiran dina toko sabari ningal barang-barang anu lalucu, meni resep pisan. Abdi paling resep lamun dititah balanja ku mamah, sanajan cape tapi tetep we rame pisan milarian balanjaan dina toko teh, sapertos ngalakukeun tugas. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2711", "text": "Kumaha nyegah karusuhan ku fans maén bal Pikeun nyegah karusuhan ku fans salila pertandingan maén bal, kami nyarankeun hal di handap ieu. 1. Ngitung jumlah suporter Panitia kedah ngira-ngira jumlah suporter anu bakal datang dina unggal pertandingan. Hal éta téh kudu dilaksanakeun, sangkan panitia bisa nyaluyukeun jeung jumlah panitia, patugas anu digawé saméméh, salila jeung sabada laga. 2. Mariksa prasarana Salian ti éta, ogé kudu rutin ngalaksanakeun pamariksaan jeung nyadiakeun prasarana anu alus jeung cukup dina ngalaksanakeun pertandingan sepak bola. Ghofur nétélakeun yén prasarana anu kudu disayogikeun jeung diriksa sacara saksama dina hal ieu ogé kaasup lawang gerbang asup ka stadion numutkeun perkiraan para suporter anu datang langsung ka stadion. \"Kaasup anu tiasa ngaksés tikét sareng nyayogikeun layar raksasa pikeun ningali di luar stadion, ogé ngahindarkeun panongton anu teu gaduh tiket maksa ka stadion,\" jelasna. 3. Perlakuan sacara manusiawi Rekomendasi salajengna ti Ghofur pikeun nyegah karusuhan atawa karusuhan dina pertandingan maén bal, nyaéta pikeun ngubaran suporter anu hadé. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5073", "text": "Mun liburan sakola, Ani mah sok ka imah ninina nu aya di sisi pantai. Di imah ninina mah ani teh sok ulin diabur, sok papanasan ka pantai, sok oge maenan tradisional jeung babaturan nana. Tapi justru hal eta nu mantak Ani teu bosen cicing di imah ninina mun unggal libur teh. Di kota mah Ani tara manggih suasana jiga kieu, pantes we jadi betaheu oge. Tapi untungna Ani gaduh babaturan di imah ninina, jadi bisa ulin teu jenuh teuing di imah. Mamah na Ani mah soktara nyarek, da meureun meungpeung didieu jadi diwioskeun wae amengan nanaon oge. Tah baraya, Ani teh keur menikmati masa-masana jeung ninina, meungpeung hirup keneh. Kumaha jeung baraya? atos ngalongokan nini na acan? Yuk ah geuncarkeun deui longokan na, da mun geus teu aya mah pasti ngarasa leungiteun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2637", "text": "Hiking jeung leumpang: sabab meunang hawa seger ti gunung beresih tinimbang hawa di kota. Leumpang bisa dipigawé di mana waé, boh di dataran luhur, basisir, atawa gunung. Gunung-gunung anu kuring nyarankeun tangtuna Gunung Rinjani di Lombok, anu kuring nyobian 2 kali.\nNgojay: sabab ngojay teu rawan tatu, teu nyieun otot teuas tur kaku, latihan katentreman sarta breaths kuat sahingga bisa nyieun VOmax optimal. Biasana mah ukur maké gaya kukupu jeung gaya bébas, bari teu maké gaya dada jeung gaya tonggong. Gaya tonggong sabab boga potensi nabrak jalma séjén atawa sirah nabrak témbok kolam renang, sedengkeun gaya dada saolah-olah nyieun tulang tonggong melengkung kawas busur. Sedengkeun jalma gaya bébas bisa ngojay kalawan tulang tonggong lempeng. Sakabéh olahraga di luhur geus tangtu dipigawé normal, teu kaleuleuwihan sarta dipigawé sa normalna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7446", "text": "Radio janten salah sahiji media massa anu ngahontal kajayaan jaman Orde Lama. Radio dina mangsa pascakamerdekaan jadi salah sahiji media massa anu populer kanggo masarakat Indonesia. Kira-kira taun 1950-an nepi ka 1970-an, radio ngalaman puncakna nalika Radio Republik Indonesia (RRI) janten hiji-hijina media anu bisa nyiarkeun lagu-lagu. Jumlah jalmi nu gaduh pesawat panarima radio nu kadaptar di Indonesia taun 1967 di Kantor Telepon jeung Telegraf ngahontal 2.000.0000 urang, RRI tuluy beuki loba, malah ka hampir kabeh di Indonesia. Lila-lila, RRI geus teu jadi hiji-hijina siaran radio di Indonesia. Stasiun penyiaran buatan mahasiswa, anu harita keur intensif neangan pangrojong massal pikeun aksi Tritura dina Januari 1996, muali muncul. Radio amatir buatan mahasiswa ieu nu saterusna jadi cikal bakal siaran non RRI atawa swasta", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1883", "text": "Kusabab awak urang bener butuh cai pikeun ngaganti ion awak leungit. ion awakteh han dipanggihan ku cairan nu puguh jelas gampang ditimukeun han kadang arurang sok poho yen cai bodas ge ngandung ion, Lamun urang teu meakeun cukup cai, awak urang bakal jadi dehidrasi, kurang fokus dina pagawean jeung bakal lemes, nu paling parah nya kena benang panyakit watu ginjal. Urang kedah nginum seueur cai. numutkeun dokter dina sadinten urang kedah nginum sahenteuna 2,5 liter cai kanggo ngagentos ion awak. kumargi kitu arurang kudu sering nginum cai bodas, tong kaseringan nginum inuman acak, insya allah dehidrasi atanapi beunang panyakit ginjal.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3536", "text": "Kuring gagal bobogohan sababaraha kali, cerai sakali, sareng tungtungna mendakan pasangan anu kuring milarian. Geus 12 taun urang babarengan jeung sigana bakal lila babarengan. Ieu tip anu kuring tiasa bagikeun: Idolakeun pasangan anjeun. Kahiji, manggihan batur anjeun idolize jeung anu idolizes anjeun dina mulang. Upami teu kitu, éta mimiti goréng! Jalma anu idealize pasangan maranéhanana cinta silih leuwih sarta kurang kamungkinan kana cinta aranjeunna ti maranéhanana kalayan mitra leuwih realistis. Hasil panalungtikan ti Universitas Utah ogé ngarojong pamadegan ieu.\r\nMilarian pasangan anu percaya diri sareng sumanget. Ngalakonan sagalana malah nu pangbasajanna bakal leuwih senang lamun pasangan Anjeun salawasna sumanget. Tangtu kaunggulan ieu baris ngaronjatkeun kapuasan anjeun kalawan pasangan Anjeun nu pamustunganana ngajadikeun hubungan leuwih langgeng.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8878", "text": "Dina ulang taunna anu ka-15, Lala nampi kaméra salaku hadiah ti bapana. Anjeunna resep pisan kana kamérana, bahkan ampir unggal dinten anjeunna sok nyandak gambar nganggo kamérana. Nalika rék nganjang ka imah ninina, Lala ogé sok mawa kaméra ka mana-mana. Tapi hiji poé Lala leungit kamérana, manéhna néangan ka mana-mana tapi teu manggihan kaméra. Anjeunna sedih pisan, kaméra mangrupikeun hal anu paling berharga pikeun anjeunna. Tapi si nini datang ti dapur mawa kaméra Lala. Tétéla Lala hilap nyimpen éta, kumargi haus pisan bari ngopi di dapur tadi, Lala hilap nyandak deui kamérana anu ditinggalkeun di dapur caket galon. Lala nangkeup pageuh nini bari ngahaturkeun nuhun pikeun mendakan kaméra karesepna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8286", "text": "Ngadangukeun tip ti jalma anu langkung berpengalaman dina dunya bisnis penting pisan nalika aya anu ngalaman kasusah atanapi kaleungitan artos dina usahana. Jalma anu leuwih ngalaman dina dunya bisnis geus ngaliwatan sababaraha tahap dina karir bisnis maranehanana, kaasup nyanghareupan tantangan jeung kasusah. Pangalaman ieu ngajantenkeun aranjeunna gaduh pangaweruh sareng wawasan anu langkung jero ngeunaan cara ngatur usaha, oge strategi anu efektif pikeun ngatasi masalah. Nalika nyanghareupan masalah dina bisnis, saurang moal tiasa ningali masalahna sacara jelas. Ngadangukeun bongbolongan ti jalma nu boga sudut pandang nu beda jeung nu leuwih pangalaman bisa mantuan hiji jalma ningali hiji masalah tina sudut pandang nu beda jeung manggihan solusi nu leuwih efektif. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "505", "text": "Upacara Siraman jeung Ngalungsur Geni di Kabupaten Garut. Acara adat ieu dilakukeun tiap taun anu mibogaan arti ngumbah jeung nuluykeun kesaktian benda-benda pusaka anu karuhun, sakaligus jadi panghurmatan ka karuhun salaku cikal bakal pangadeg desa. Aya lima tahapan dina Upacara Siraman nyaeta ngalirap, muka sajarah desa, ziarah kubur, ngumbah benda-benda pusakat, jeung doa babarengan. Upacara Ngalirap tangtuna mangpaat jang warga sakitar, lantaran dina acara ieu masarakat gotong royong jang nyieun pager anyar di sabudureun imah joglo, ngaberesihan masigit, jeung makam. Kagiatan ieu dilakukeun ti isuk nepikeun ka sore. Peutingna dilaksanakeun acara muka sajarah desa anu dipingpin ku kuncen. Ieu penting sabab sejarah desa meh teu leungit jeung papada urang apal kana sejarah desana sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8146", "text": "Teknologi ayeuna tos tiasa ngamudahkeun sagala urusan jalmi. Smartphone ayeuna tos dipasangkeun sagala rupi fitur nu ngabantos pisan kagiatan sapope. Salah sahiji teknologi atanapi fitur nu biasana dianggo ku seueur jalmi sapopoe nyaeta share location. Dina hp smartphone merek apple share location tiasa dianggo liwat babaraha cara. Mimiti buka aplikasi messages tur pilih ngaran nu bade dipasihan lokasi urang. Pencet foto profil penerima tur pencet 'send My Currret Location'. Thumbnail lokasi urang bakal muncul dina percakapan. Upami bade masihan lokasi dina waktos nu panjang, sawaktos mencet foto profil penerima pilih 'Share My Location' tur atur sakumaha lila urang hayang lokasina dibagi. Tiasa milih hiji jam, bagikeun dugi ka sapoe, tur bagikeun teu make bates. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3551", "text": "Pikeun bisa nangtukeun jumlah pasti nu kudu disiapkeun, ngalakukeun di handap:\n\n1. Petakeun pangaluaran bulanan Anjeun\nPikeun mutuskeun sabaraha idealna anjeun gaduh dana darurat siap, lengkah kahiji anjeun kudu ngalakukeun nyaeta peta kaluar expenses bulanan Anjeun. Ku cara éta anjeun tiasa terang sabaraha artos anu anjeun peryogikeun.\nPertimbangkeun biaya tetep sareng variabel sapertos asuransi, pajeg, hutang, kasehatan, perumahan, transportasi, sareng sajabana. Tangtukeun ogé sabaraha anjeun peryogi dana darurat upami anjeun nikah atanapi gaduh tanggungan anu sanés.\n2. Nyaho sabaraha waktos Anjeun kudu ngumpulkeun dana darurat\nNgartos yén éta peryogi sababaraha bulan kanggo ngahémat sareng nyiapkeun sabulan belanja pikeun alokasi dana darurat. Ditambah anjeun pasti gaduh prioritas kauangan sanés sapertos tabungan sareng dana pangsiun.\nÉta sababna teu aya anu lepat sareng netepkeun udagan kalayan jumlah anu wajar dina mimiti ngawangun dana darurat supados anjeun tiasa tetep konsisten sareng gairah pikeun ngahontal udagan anjeun.\n3. Nyiapkeun dua jenis dana darurat\nPertimbangkeun nyetél dua jinis dana darurat, khususna upami padamelan anjeun teu stabil. Anu mimiti nyaéta biaya anu teu kaduga pikeun hal-hal sapertos perbaikan mobil atanapi bumi. Anu kadua nyaéta dana darurat anu anjeun siapkeun upami anjeun kaleungitan panghasilan anu teu kaduga.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8297", "text": "Pikeun nurutan kamajaun teknologi hayu urang mulai mangpaatkeun internet janten tempat urang ngicalan. Usaha online henteu ngabutuhkeun anjeun nyewa tempat atanapi toko. Anjeun tiasa make imah sorangan pikeun nyimpen barang. Bisnis online oge fleksibel pisan pikeun dijalankeun. Anjeun tiasa ngajalankeun eta bisnis online ti sagala rupa penjuru dunya salami anjeun gaduh sambungan internet sareng laptop. Salaku tambahan, jam operasi bisnis online oge fleksibel. Bisnis online ngamungkinkeun saha wae nganjang ka toko anjeun. Henteu aya larangan regional. Hal ieu ngamungkinkeun anjeun pikeun meunangkeun deui konsumen ti sagala rupa wewengkon di Indonésia. Kanyataanna, anjeun tiasa ngalegaan target pasar anjeun ka luar negeri.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5768", "text": "Porprov arung jeram jadi salah sahiji ajang pertandingan nu paling bergengsi dina dunia arung jeram. Pasalna, Porprov arung jeram teh dipandang sebagai ajang ngadu kakuatan antara dua golongan besar arung jeram, nyaeta Citarik jeung Citarum. Dua golongan ieu teh jadi panguasa podium dina event-evenf aring jeram, khususna Porprov. Mantakna, kabeh kabupaten di Jawa Barat mah pasti ngapersiapkeun atletna masing asak sabab lawanna di Porprov mah kabilang kelas berat hungkul. Teu jarang para atlet arung jeram na ge latihan minimal dua taun samemeh hari H supaya hasilna memuaskan. Mun sakalina meunang medali terus naek podium teh pasti bakal dipupusti pisan ku club asalna, termasuk kontingenna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "507", "text": "Ngaruwat Bumi mangrupakeun tradisi taunan masarakat Banceuy nepikeun ka ayeuna masih tetep dilaksanakeun. Biasana dilaksanakeun dua poe, dina dua poe ieu aya sababaraha kagiatan nu dilakukeun. Nu kahiji Dadahut, mangrupakeun persiapan ti mimiti musawarah, neangan dana, nyieun kadaharan, nyieun panto heek, jeung nyieun sawen. Nu kadua Ngadiukeun, dilaksanakeun ku sesepuh adat bari ngadoa di goah, dihareupna aya sasajen jang acara Ruwatan Bumi. Tujuanna menta izin ka Allah SWT jeung para karuhun ngarah acara lungsur langsar. Nu katilu meuncit muncing, daging munding eta saparapat disadiakeun jang tamu nu sumping sarta kapentingan umum, mun sesana dibagikeun ka masarakat. Nu kaopat Ngalawar, nyaeta nyimpen sasajen di tiap juru kampung ku sesepuh adat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2825", "text": "Naha nuklir nu jadi energi ramah lingkungan masih tacan aya di Indonesia ? Jawabanana teu aya political will ti Presiden. Sumuhun, ti Presiden. Sabab Indonésia geus ngaliwatan sagala sarat nu diasongkeun ku Badan Atom Internasional (IAEA) pikeun bisa ngawangun pembangkit listrik tenaga nuklir. Mimitian ti SDM nepi ka téknologi dasar geus siap. Panalungtikan ngeunaan lokasi PLTN bakal diwangun geus disiapkeun di Jepara atawa Bangka Belitung. Tapi, ngan ukur aya hiji sarat anu teu dicumponan ku Indonésia, nyaéta \"keputusan politik pikeun ngamimitian ngawangun pembangkit listrik tenaga nuklir\". Perkawis pangalaman, tong naroskeun deui. Indonésia mangrupa nagara munggaran di Asia anu ngawangun réaktor nuklir anu ayeuna aya di Bandung (taun 1964). 20 Pébruari 1964 réaktor munggaran kalayan kakuatan 250 kW diresmikeun ku Présidén RI waktu harita Ir.Soekarno. Saterasna teras ngawangun réaktor nuklir di Bandung sareng ogé di Yogyakarta. Sanaos kanggo tujuan panalungtikan, SDM Indonésia parantos kabuktosan mampuh ngatur réaktor nuklir mangtaun-taun sareng parantos lulus pamariksaan ti IAEA.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "515", "text": "Imah panggung mangrupakeun salah sahiji wangunan tradisional nu geus aya digunakeun ti zaman baheula. Salah sahiji cirina nyaeta aya tangga di bagian hareup. Ceuk urang imah panggung ieu leuwih aman sabab bisa ngahindar tina sato galak, ku cara museurkeun aktivitas di bagean luhur imah, sato galak moal bisa ngajangkauna. Imah panggung oge bisa kahindar tina banjir sabab lantai imahna aya sababaraha meter di luhur taneuh. KU cara eta, lamun ayana banjir, wangunan imah jeung parabotanna moal langsung ka keueum ku cai. Salian ti kahindar tina banjir, kolongna oge bisa digunakeun jang tempat neundeun rupa-rupa barang atawa hasil tatanen nepikeun ka neundeun sato piaraan siga hayam oge bisa diteundeun di kolong imah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7103", "text": "Masjid gaduh peran strategis salaku puseur ibadah anu ngalahirkeun peradaban ti mimiti ayana Islam. Sajarah masjid mangrupa bagian tina sajarah Islam sorangan. Islam sakumaha kacindekan anu ditepikeun ku H.A.R. Gibb, lain ngan saukur agama dina harti heureut, tapi kaasup peradaban (budaya) nu lengkep. Kualitas da’wah Islam di hiji nagara bakal katingal dina wangunan jeung pungsi masjid. Masjid miboga peran sentral jeung strategis dina kahirupan umat Islam ti jaman ka jaman. Ayana jeung pungsina masjid lain ngan ukur salat berjamaah. Lamun ngan ukur jadi tempat solat, sakumna beungeut bumi pantes ku Alloh dijadikeun tempat sujud (masjid). Masjid miboga fungsi minangka tempat ngabina jamaah anu ngalahirkeun kabentukna persatuan umat dumasar kana kaimanan jeung taqwa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "428", "text": "Kisah dina Al-Qur'an ngajegkeun hate Nabi SAW jeung umatna kana agama. Hal ieu digambarkeun ku perjuangan nabi jeung umat Islam nu dakwah jeung nyebarkeun agama Allah ieu ku rupa-rupa penolakan nepikeun ka siksaan nu aranjeunna alaman. Ku sabab kitu jang nyanghareupan eta dibutuhkeun kaimanan nu kuat jeung sumanget nu soson-soson, ngameh bisa ngajadikeun hate aranjeunna jang ngobarkeun cahaya kaimanan. Beuratna medan juang oge dirasakeun ku utusan baheula. Intimidasi ka umat nu boga iman oge pernah dialaman ku umat baheula oge. Ngan hal eta ngan salaku cobaan hungkul, sabab kemenangan bakal kacapai gancang atawa lambat oge, jeung kebatilan bahal geura-geura musnah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5722", "text": "Basa keur leutik mah unggal poe Minggu atawa libur sakola teh sok ngahajakeun jalan-jalan isuk ka pasar. Biasana sok make sapedah jeung orang tua. Tapi sakapeung ge sok bari jalan santai ka pasarna bari ningalian lingkungan sakitaran bumi. Teu jarang oge sasapedahan na teh sok ka tempat olahraga atawa lapang olahraga. Beres sasapedahan teh biasana jajan heula jeung tuang didinya. Mun geus wareg nembe we uih deui make sapedah atawa mapah. Ieu jadi salah sahiji kagiatan olahraga nu dipikaresep pisan, sabab salian urang sehat, oge ngadeukeutkeun kemistri anak jeung orang tua nu sapopoena biasa sibuk sakola jeung digawe.Yuk ah biasakeun sempetkeun olahraga minimal unggal Minggu!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1543", "text": "Bobogohan anu sehat teh mun silih bantuan jeung ngarojong kana naon kagiatan pasanganna salila eta hal anu positif. Lantaran basic kulawarga urang teh wirausaha, jadi mun sakola teh urang sok bari ngajualan barang atawa dahareun. Mun barang mah siga kaos bola, atawa pulsa. Mun dahareun mah biasana seblak. Tah ku urang sok diajak kabogoh teh jang nyieun seblakna, ngarah manehna oge jadi aya gambaran kumaha cara nyieunna jeung cara masarkeun produkna. Ceuk urang mah tiap pasangan teh kudu silih berkembang jeung ngeusian satu sama lain. Emang awalna mah pas diajak jualan teh rada hese ku sabab manehna eraan, tapi lila kalilaan mah malah manehna nu leuwih aktif tibatan urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8112", "text": "Jaman ayeuna budak sakola teh tangtos peryogi nu ngarana laptop. Nanging seueur kolot nu bingung keneh milih laptop nu cocok sareng kabutuhan budak. Teu kudu bingung upami jeung budak mah beulikeun we laptop chromebook. Laptop chromebook cocog pisan sareng kabutuhan budak sakola. Kusabab dianggo jang kaperluan sakola hungkul ieu laptop gancang pisan upami bade dianggo teh kusabab hard drive SSD sareng Chrome OS-na nu hampang. Padamelan nu saetik oge ngajadikeun ieu laptop boga daya tahan batre nu ageung tiasa tahan nika 6 jam aya oge nu ngeklaim tiasa tahan 13 jam. Laptop ieu cocog jang budak kusabab aktivitas di laptop ieu tiasa diawasi ku kolot liwat akun pengguna teras tiasa oge disinkronisasi ka device nu sejen janten katingali ieu laptop dianggo naon wae.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "410", "text": "Basa keur ramena kajian Pemuda Hijrah anu diayakeun ku Ustad Hanan Attaki. Harita urang jeung babaturan indit ti Jatinangor ka masjid Trans Studio Bandung. Urang jeung babaturan inditna balik kuliah aya kana jam 5 sorean indit. Urang ngabonceng babaturan kana motor. Di jalan teh cuaca geus katinggali paroek, mendung siga nu rek hujan. Apekteh bener weh pas di Jalan Cibiru ngabereg hujan. Tungtungna urang ngiuhan heula di tukang dagang sisi jalan. Pas hujan geus raat urang ngalanjutkeun perjalanan, motor ge rada dikebut sabab urang can sholat magrib. Tadina mah hayang babarengan jeung Hanan Attaki di mesjid eta. Barang nepi teh, kaayaan jelema geus pinuh pisan. Atuh urang teu bisa ninggali sacara langsung Hanan Attaki, tungtungna mah urang ngadenge kajianna di buruan mesjid jeung nu sejenna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2032", "text": "Hobi ngamungkinkeun anjeun ngajalajah kapentingan di luar padamelan. Hobi ngajadikeun anjeun kreatif sareng nyobian hal-hal anyar. Upami anjeun bosen sareng hobi anu lami, nyobian hobi énggal tiasa nyegerkeun kréativitas anjeun. Tong hilap mertimbangkeun anggaran anjeun sateuacan milih hobi énggal, sabab seueur hobi ngabutuhkeun artos anu ageung. Nanging, tong hariwang. Anjeun gaduh seueur pilihan sanajan anggaran anjeun terbatas. Dimulai ku nu kahiji, panggihan kapentingan anjeun. Tingali naon anu biasana anjeun lakukeun dina waktos bébas anjeun. Naha anjeun resep maca buku? Panginten anjeun tiasa nyobian nyerat. Naha anjeun resep inuman tiis dina ahir poé? Coba brewing inuman di imah. Hurungkeun hal anu anjeun resep janten hobi. Nu kadua nyaeta pikirkeun naon anu anjeun hargana. Kualitas naon anu anjeun hargai pisan? Naha anjeun ngadukung hikmah sareng kawani? Naha anjeun resep jalma berehan? Anjeun admire ekspresi artful? Hayu sipat-sipat éta ngabimbing pilihan hobi anjeun, contona, anjeun tiasa janten sukarelawan di perpustakaan kusabab anjeun resep pendidikan, atanapi panginten anjeun tiasa diajar ngalukis kusabab anjeun resep kana ekspresi seniman.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1943", "text": "Gunung Ciremai kudu taliti nanjak. Gunung api populér séjénna, contona Gunung Merapi, Gunung Semeru atawa Gunung Slamet, Gunung Ciremai ogé mangrupa gunung strato. Kanyataanna, aktivitas vulkanik di gunung ieu terus nepi ka poé ieu. Letusan terakhir lumangsung dina 1937 sarta henteu ngabalukarkeun karuksakan signifikan. Ngan, dina taun 1990 jeung 2001, aya sababaraha lini anu ngaruksak sababaraha imah warga anu sumber linina sorangan tina aktivitas vulkanik di Gunung Ciremai. Hal unik salajengna anu janten kanyataan Gunung Ciremai nyaéta ayana dua kawah di luhur puncakna. Dua kawah ieu mangrupa hasil bituna Gunung Ciremai sababaraha abad saméméhna. Kawah Timur nu leuwih leutik kabentuk dina bituna Gunung Ciremai taun 1924. Samentara éta, Kawah Kulon nu gedé kabentukna leuwih lila, kira-kira taun 1636. Ku kituna urang kudu ati-ati nalika naék.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3880", "text": "Ngaran teh Telang sabenerna masing rada aneh kadengena, loba nu can apal naon teh telang. Teh telang sabener na cai teh siga biasana ngan lain di jieun atawa di seduh ti daun teh, teh telang asal na ti kembang telang. Jadi teh telang teh nya teh kembang matakna rasa na rada aneh jeung rada bau mu can biasa nginum. Warna teh telang alus pisan, warna biru kaunguan. Tapi tapi tea telang sabenerna rada pait amis jeung aya bau khas na nu kuat kitu. Tapi mun bisa ngolah na teh telang bisa jadi minuman nu enak jeung loba mangfaat. Teh Telang bisa di sajikan tiis atawa panas. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3568", "text": "Anak abdi, Aisyah, 19 taun, mahasiswa semester 3 Fakultas Hukum Unpad, minat pisan kana alam, gunung jeung leuweung ti saprak asup Pramuka di SD jeung SMP, tuluy miluan Kagiatan Pencinta Alam di SMA ( Sisgahana - SMA 70 Jakarta).\n\nNaek gunung mangrupa salah sahiji kagiatan anu dipikaresepna, sajaba ti ngarasakeun kaéndahan alamna, manéhna ngarasa gunung téh jadi imah ka-2, di mana manéhna ngarasa aman, ditangtayungan, bébas, bébas jadi sorangan, teu aya nu ngahakiman, sepi tanpa riweuh dunya, tenang dimana. pikiran jadi jelas. Sok lamun 1 bulan Aisyah teu ka gunung, geus katarajang rasa kangen, jiga nu sono ka imah.\n\nSalian ti éta, kagiatan mikacinta alam anu diiluan ku manéhna ogé ngagampangkeun manéhna pikeun mikawanoh mana babaturan anu sabenerna, mana babaturan anu ngan ukur ngobrol, babaturan mana anu ninggalkeun nalika babaturan séjén keur kasusahan, babaturan mana anu bisa jadi baraya, anu bisa dipercaya. sobat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5896", "text": "Mahasiswa Univeritas di Yogya berhasil ngembangkeun sapeda nu make teknologi surya. Mun biasana mah kandaraan nu sering dipake teh nuaeta motor, diharapkeun ku ayana sapeda tanaga surua ieu teh bisa ngurangan polusi udara jeung ngalerai kamacetan di jalan raya. Sapeda tanaga surya teh ngandalkeun mesin nu ditopang ku tanaga surya. Jadi, sapeda ieu dilengkapi ku mesin anu bisa otomatis ngalaju, khususna na tanjakan jadi teu kudu capek ngagowes. Terus jang ngeusian daya na ge disadiakeun terminal charging daya kangge sapeda tanaga surya. Mun daya mesin na geus seep, tinggal isi ulang daya di spot nu nyadiakeun charging. Sumber daya na ge tina tanaga surya, jadi bakal leuwih ramah lingkungan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3988", "text": "Pelajaran ti pangalaman jalan jalan atawa tour lobaan ka yogya nu meakeun waktu 4 poe teh nyaeta, urang kudu apal jeung paham kondisi awak urang sorangan, lamun mabokan jeung babari gering kudu siap siaga bawa obat sorangan. Panitia nyadiakeun obat tapi kan can tentu cocok, soalna di perjalanan eta urang nngali batur jadi garering sigana arasup angin lantara perjalanan jauh jeung AC bes teu bisa di pareman. Kan jadi nateu enakeun lamun rek jalan jalan tapi teu ngareunah awak mah. Urang di jadwal jalan jalan na teh ka candi borobudur, pantai parangtritis, candi prambanan, keraton jeung malioboro sarta taman pintar terus balik na ka magelang mampir ka pabrik cabang. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2791", "text": "Pikeun anu nimbang-nimbang ngalih tina DSLR atanapi ngan ukur gaduh kaméra anu munggaran, kaméra tanpa cermin tiasa janten pilihan anu pas. Tapi tempo loba merek béda, model, fitur, sarta harga kaméra mirrorless dina pasaran, manggihan kaméra mirrorless sampurna bisa jadi hésé. Ti merek kawas Sony, Canon, Fujifilm, jeung saterusna.\r\n1. Anggaran\r\nKualitas, daya tahan, sareng kamampuan umum kaméra anjeun pamustunganana bakal gumantung kana anggaran anu anjeun nyayogikeun pikeun mésér kaméra tanpa eunteung. Kaméra mirrorless entry-level biasana pilihan anu kawilang hampang sareng hargana. Kaméra mirrorless bisa ngawengku rupa-rupa modus otomatis nu dirancang pikeun mantuan Anjeun diajar laun-laun kalawan spésifikasi handap sarta fitur sarta biasana teu sakumaha alus ngawangun kualitas salaku kaméra DSLR kalawan harga premium.\r\n2. Lensa\r\ntips on meuli kaméra mirrorless pikeun beginners kalawan lenses\r\nPertimbangan anu penting nalika mésér kaméra nyaéta lensa, khususna upami anjeun milih kaméra tanpa eunteung sareng lénsa anu tiasa ditukeurkeun. Iwal mun geus wawuh jeung hiji sistem lénsa nu tangtu, éta pangalusna mertimbangkeun pilihan lénsa saméméh meuli kaméra. Kumisan harga, aya tilu alesan utama pikeun ieu sareng naon kamampuan kaméra anjeun pamustunganana bakal gumantung kana anggaran anjeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6802", "text": "Lamun tos beres lalajo pelem, biasana sok aya jalmi nu masihan nilai kanggo pelemna. Aya oge jalmi anu resep ngulas pelem, jeung aya oge jalmi anu sok nyaritakeun pelemna. Tapi anu paling pikasebeleun nyaeta jalmi anu sok spoiler atawa ngapidiokeun pelem anu bagian pang pentingna dina hiji pelem. Misalna dina hiji pelem bakal aya lalakon anu maot teras dicaritakeun ka nu sanes anu teu acan lalajo pelemna. Janten urang anu teu acan lalajo tos apal caritana bakal kumaha janten teu rame deui lalajo na. Padahal anu namina nonton pilem mah rame na teh nebak-nebak sabari panasaran kumaha ahir carita na.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "892", "text": "Samemeh asup ka stadion nu ngayakeun pertandingan olahraga, biasana rame ku nu jualan atribut, siga balon jang di tepok-tepok, atawa beungkeur jang ditalikeun kana tarang anu warnana teh bodas jeung beureum nandakeun bendera Indonesia. Lantaran loba nu make atribut, urang oge meuli. Pas asup stadion badminton geus rame ku sorak-sorak IN-DO-NE-SIA, bari nepok-nepok balon. Sorana bergumuruh komo deui pas asup jeung poin jang Indonesia. Biasana aya saurang nu ngomong In-do-ne-sia, nu lainna mah nepokan balon. Terus nya mun pamaen Indonesia keur nyemes sok aya sora ti penonton \"Ea\", sedengkeun mun pas bagian lawan nyemes sok disorakan \"Hu\". Ieu teh meh lawan jadi ngarasa gugup pas maenna. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "408", "text": "Sholat 5 waktu mangrupakeun kawajiban nu kudu dilakonan. Salian ti ngadeukeutkeun ka Allah SWT, oge gerakan solat mibogaan manfaat jang kasehatan. Ningkatkeun sirkulasi getih, misalna pas posisi ruku, di mana aliran getih bagian luhur diatur. Sedengkeun posisi tasyahud, aliran getih bagian handap diatur. Tuluy gerakan sholat oge bisa ngalancarkeun padaharan, contona salila tasyahud atawa posisi diuk ku ditopang 1 suku ngalengkung ka handap, posisi ieu jadi ngamungkinkeun ngalancarkeun padaharan. Oge gerakan sholat dina posisi ruku lain ngan ukur bisa ngalancarkeun peredaran getih, tapi oge bisa ngabereskeun sababaraha keluhan siga nyeri cangkeng, tuur, jeung sajabana. Gerakan sholat oge penting jang nyieun postur tubuh leuwih ideal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9048", "text": "Basreng, singgetan tina baso goreng, nyaéta jajanan has Sunda anu dijieun tina olahan baso lauk anu diiris ipis tuluy digoreng. Basreng ogé tiasa disayogikeun ku taburan bumbu pedas. Penjual basreng ayeuna nyajikeun basreng kalayan tingkat lada anu rupa-rupa. Rasa anu super lada dicandak tina bahan cabe asli tinimbang bubuk cabe, hasilna rasa panas alami, kitu ogé warna beureum alami tanpa ngawarnaan jieunan atanapi ngawarnaan kadaharan. Salian ti varian lada, aya ogé rasa anu sanés gumantung kana bumbu anu dianggo ku urang, kalebet kéju, juket laut sareng anu sanésna. Salian variasi rasa, basreng ogé bisa digoréng garing atawa satengah asak. Lamun digoréng garing bakal karasa renyah kawas kurupuk jeung mun satengah asak bakal karasa kenyal.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1854", "text": "Pikeun penikmat kuliner sareng penjelajah wisata gastronomi, pasti anjeun wawuh sareng istilah Michelin Stars atanapi béntang Michelin. Sapertos panghargaan Academy Awards atanapi Oscars kanggo industri pilem, Michelin Stars mangrupikeun simbol tolok ukur kualitas nu aya dina réstoran.Henteu ngan ukur ngalayanan masakan nikmat anu salawasna dijaga sacara konsistén, tapi ogé masihan penilaian tempat, koki, sareng awak anu ngaladénan. Sadayana kedah saé pikeun kéngingkeun béntang Michelin ieu. Panakawan sareng saran ieu diterbitkeun dina buku panduan beureum anu disebut Michelin Guide anu umurna langkung ti saabad, satia ngiringan penjelajah gastronomik sareng ngumbara di saluruh dunya. kalayan kitu bentang michelin kudunamah jadi panutan jang réstoran nu aya di Indonesia.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8090", "text": "Salah sahiji game favorit barudak ayeuna nyaeta mobile legend atanapi nu biasana dipondokeun janten ml. Ml teh game online nu tiasa dipaenkeun di hp. Game ieu peryogi sambungan internet kusabab online. Maenna sareng pemain-pemain online nu sejen, tiasa oge ngondang rerencangan nu tos nambihan pertemanan dina jero game. Maenna urang milih hiji karakter atanapi hero nu bade dianggo pikeun bertanding sareng tim. Aya tim biru sareng tim beureum, duanana pagancang-gancang ngancurkeun base satru. Dina game ieu aya tingkatanna upami arurang menang wae tingkatan urang bakal naek ka tingkatan nu leuwih luhur. Aya oge rupa-rupi event nu diayakeun ku developer di waktos-waktos nu tangtu, sapertos event halloween, natal, lebaran, jeung sajabana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2684", "text": "Masarakat urang ngan ukur mikaresep maén bal, ngan ukur minat, henteu nyalurkeun bakat sareng hoyong janten pamaén profésional. Pangalaman kuring dina ilubiung dina turnamén Coca-Cola 2013 bisa dijadikeun rujukan. Kompetisi jeung pembinaan anu teratur jeung lestari kudu bisa ngahasilkeun pamaen ti satiap daerah anu bisa bersaing di tingkat nasional. Pamungkas, mugi-mugi minggu payun murangkalih tiasa latihan deui kanggo nyiapkeun diri kanggo Liga Pendidikan Indonesia (LPI) 2014 sareng turnamen-turnamen sanesna oge Liga Piala Coca-Cola 2014. Namung sistem pembinaan nonoman kurang, kompetisi antar sakola Naon. anu teu jelas mah kualitas ngalatih generasi sepakbola urang terhambat nu nyieun urang katinggaleun dina widang prestasi,", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1949", "text": "leumpang sapanjang jalur basisir kidul Kabupaten Tasikmalaya, loba obyek wisata pantai anu bisa didatangan. Tapi, salian ti objék wisata pantai anu dikelola ku pamaréntah daérah, ogé seueur tempat pantai anu éndah. Sanajan lain tempat wisata anu dilengkepan ku fasilitas panginepan anu lengkep, spot-spot pantai anu aheng ieu sakurang-kurangna bisa jadi panawar kacapean nalika leumpang sapanjang jalur basisir kidul Jawa Barat. Salah sahiji tempat pantai anu bisa didatangan nyaéta Basisir Cemara Pangkalan. Lokasina aya di pinggir jalan sabudeureun Désa Pangkalan, Désa Mandala Jaya, Kacamatan Cikalong, Kabupatén Tasikmalaya. Sakumaha ngaranna, basisir Cemara Pangkalan ieu mangrupa tempat pantai anu rindang ku tangkal pinus laut. Jajaran tatangkalan di basisir ngajadikeun suasana jadi rindang jeung tiis. Angin laut, suasana anu tenang sareng panorama basisir anu endah, ngajantenkeun saha waé anu mampir di basisir Cemara Pangkalan betah lami.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3570", "text": "Dina ngalaksanakeun tujuanana, aya opat kagiatan utama Wanadri anu ngawengku: eksplorasi, atikan, integrasi jeung masarakat, jeung ngajaga alam. Ngumbara di gunung, leuweung geledegan, jurang jero, gawir nu lungkawing, gulat jeung arus deras, cascades jeung jeram di walungan, naha urang sadar atawa henteu, tangtu bakal mangaruhan karakter hiji jalma. Rupa-rupa halangan anu karandapan dina lalampahan bakal ngajadikeun jalma leuwih tabah, teu gampang nyerah. Ditengah-tengah kaagungan alam, kaéndahanana jeung kamungkinan kagagalanana, hiji Wanadri bakal sadar kana kaagungan Gusti Nu Maha Nyipta. \"Cara ngumbara\" ieu mangrupa salah sahiji cara Wanadri ngadidik manusa, hususna anggotana. Nanging, dina kanyataanana, dina dunya pecinta alam di Indonésia, Wanadri katémbong minangka organisasi anu paling \"bergengsi\", anu paling hese lebetna, kusabab standar anu luhur mimitian ti seleksi (kaséhatan, psikologis, fisik sareng pangaweruh), nyaéta. taneuh latihan tangguh, atikan dasar, 1 bulan pinuh, di alam, salamet hawa panas tur tiis, atikan gaya semi-militer, marches lila puluhan kilométer, leumpang ngaliwatan rawa laut, kaayaan \"pegat\" suku dina sapatu militér sarta ngangkat ampir 20 kg pamawa, sareng panjang program (dugi ka 1-2 taun) dugi ka anjeun tiasa nampi nomer anggota.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9042", "text": "Hal kaopat anu urang kéngingkeun nalika damel di kantor nyaéta kéngingkeun tempat kerja khusus. Kusabab jalma teh beda-béda, tipena béda gawé jeung lingkungan gawé. Lingkungan anu urang pikir nyaman, teu merta nyaman keur batur mah. Upami di tempat damel anjeun resep damel tenang sareng konsentrasi dina ruang lingkup anjeun nyalira, padamelan kantor pasti masihan tambihan. Gawe di kantor hartina anjeun boga tempat sorangan, dimana komputer atawa laptop, buku, jeung alat tulis anjeun disimpen. Éta ogé bakal langkung gampang pikeun anjeun mendakan barang-barang sareng ngaturna, sabab tempatna anjeun nyalira. Tempat anu leres milik urang, sare urang oge tiasa ngahias ku catetan atawa stiker anu pinuh ku kecap-kecap anu ngadorong anu pasti diidinan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9330", "text": "Dina kahirupan tatangga, urang kudu miheulaan salam. Tatangga dijurungkeun pikeun silih salamkeun nalika panggih ku cara ngucapkeun salam. Tangtu pihak anu miheulaan salam téh hadé moralna ku kituna meunang leuwih kahadéan. Urang ogé kudu ngiring bungah dina kabagjaana. Teu hade lamun hiji jalma teu resep kana kasuksésan tatanggana alatan timburu. Sabenerna anu disarankeun nyaéta silih ngucapkeun salamet kana kasuksésan sasama rumah tangga. Ku cara kitu rasa sirik kana kasuksesan tatangga bisa dihindari sarta silaturahmi antar tatangga bisa dijaga. Tong jadi tatangga anu resep ngongkeun batur bari ngagogoreng batur, da urang ge teu resep lamun jadi piomongeun batur. kabiasaan kitu sabenerna bakal ngajadikeun hirup tatangga teu ngeunah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "567", "text": "Aya tilu teknik jang maenkeun alat musik kacapi. Tilu teknik ieu bisa ngahasilkeun sora nu beda-beda. Nu kahiji teknik dijambret, teknik ieu dilakukeun ku cara ngagerakkeun ramo sabeulah katuhu, nyaeta jempol, jajangkung, jeung curuk dina luhur tilu senar nada jeung disadakeun babarengan. Nu kadua teknik sintreuk toel, teknik ieu dilakukeun ku cara mipit senar kacapi, carana ramo dina senar kacapi ngagunakeun tungtung curuk ngalengkung dina handap senar kacapi, tuluy kari noel senarna ku curuk nepikeun ka ngahasilkeun sora nu dipikahayang. Nu katilu teknik dijeungkalan, teknik ieu posisi awak pamaen alat musik leuwih condong ka hareup jeung posisi ramona ampir mirip jeung teknik dijambret.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4585", "text": "Internet jeung ponsel atawa handphone hususna anu android anu geus asup ka sagala kalangan tinu kalangan luhur nepi ka kalangan handap, ti aki aki nini nini nepik budak leutik ayeuna mah ges pinter ngome ponsel handphone. Dina perkembangan nana pasti aya positif jeung negatifna siga dua sisi duit logam aya dampakna tina hiji perkara. Dampak positifna nya geus ouguh jadi meunang informasi leuwih gancang, leuwih praktis lamun erek nguruskeun atawa nyieun nanaon babari na ngaakses sagala rupa hiburan jeung nu sejena, tapi tong poho loba oge dampak negatifna. Dampak negatifna nyaeta jadi loba na penipuan dina internet anu babari di akses ku ponsel, ngajual belikeun data diri, jeung anu paling sering kajadian nyaeta berita hoax jeung ribut ribut di social media.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8098", "text": "Budak jaman 90-an siga Ema tangtos ngalaman nu ngarana parubahan jaman. Parubahan jaman tos katingal di sagala rupi kahirupan, salah sahijina nyaeta perkembangan hp. Jaman baheula mah hp nu Ema apal teh ngan saukur nokia ayeuna tos seueur pisan merek-merek hp nu nawarkeun kaunggulanna masing-masing. Hp nu jaman baheula ngan saukur ku Ema dianggo nelpon sareng sms-an ayeuna tiasa internetan. Ayeuna sagala rupi perkawis tiasa liwat hp, arek komunikasi, lalajo, maen game, nika neangan artos tiasa liwat hp. Ema ge ayeuna neangan artos liwat hp, nyaeta liwat aplikasi Tiktok. Didinya manehna ngaicalan rupa-rupi produk tur mineng oge live ngadagangkeun daganganna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2797", "text": "Stand Blénder, multifungsi pikeun sagala rupa kaperluan dapur anjeun Stand Blénder, multifungsi pikeun sagala rupa kaperluan dapur anjeun id.sharp A stand Blénder nyaéta wangun Blénder konvensional anu loba medar di pasar. Stand Blénder ngabogaan awak kuat, boga tutup, sarta ogé dilengkepan sababaraha pilihan speed. Kapasitas Blénder nangtung langkung seueur tibatan jinis Blénder sanés. Janten, anjeun tiasa nyayogikeun tuangeun dina jumlah ageung pikeun anggota kulawarga. Ayeuna, téknologi stand blender ngembang. Salian ti blender stand biasa, anjeun ogé bakal mendakan blender vakum anu tiasa ngaminimalkeun prosés oksidasi nalika pulverizing dahareun. Hasilna, kandungan gizi dina kadaharan ieu leuwih jagjag jeung teu gampang robah warna. Blénder leungeun, gampang ngahaluskeun bahan-bahan leutik\nBlénder leungeun, gampang ngahaluskeun bahan-bahan leutik\nLamun hayang pulverize dahareun dina jumlah leutik, pilihan mangrupa Blénder leungeun. Bentuk sareng cara ngagunakeun Blénder ieu sami sareng mixer, tapi bilahna béda. Bentuk gagang ergonomis mangrupikeun kauntungan tina Blénder ie", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7387", "text": "Samsak, oge katelah sandsack, punching bag jeung karung tinju nyaeta kantong kuat anu dirancang pikeun ditonjok sababaraha kali. Samsak biasana bentukna silinder, sareng dieusi ku rupa-rupa bahan anu karasa sasuai. Samsak sorangan geus dipake dina seni beladiri jeung kaulinan pedang pikeun latihan militer. Dina beladiri sareng olahraga tarung, sapertos Karate, Sanda, Taekwondo sareng Muay Thai, kantong sareng alat-alat anu sami parantos diadaptasi pikeun latihan najong sareng manuver nyerang anu sanes, oge pikeun ngembangkeun tehnik nonjok. Samsak gaduh fungsi janten alat olahraga anu tiasa ningkatkeun tingkat kabugaran sareng kasehatan urang sacara umum. Nalika anjeun tinju ngalawan samsa atanapi jalma asli, urang tiasa ngalatih otot sareng ningkatkeun kakuatan awak bagian luhur sareng kakuatan ngawangun tulang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2371", "text": "Kancil miboga ide cemerlang pikeun nipu buaya, anjeunna nyarios ka buaya yén dina waktos ieu anjeunna lapar. Sangkan awakna kurus, mun bisa ngadahar bonténg di peuntas walungan mangka awakna bakal tumuwuh sarta jadi leuwih gendut sahingga buaya jeung babaturanana malah bisa dahar babarengan. Mimitina manéhna ménta buaya pikeun nelepon babaturanana jeung marching sapanjang walungan sangkan manéhna bisa ngitung maranéhanana. Duanana jeung buaya tuluy ngageroan babaturanana tuluy ngajajar rapih sapanjang walungan anu manjang ka peuntas tempat sawah bonteng. Tilu kijang tuluy nincak barisan buaya, hiji-hiji bari ngitung-ngitung. Sanggeus nepi ka buaya di barisan panungtung, manéhna luncat sarta nepi ka sisi séjén walungan. Teras anjeunna nyarios supados buaya tenang sareng ngantosan di walungan bari nyéépkeun tiis dina cai walungan anu tiis dina siang anu panas. Kaopat, samentara éta, anjeunna bakal ngadahar bonténg seger anu aya heula supados awakna gancang ageung. Si kancil tuluy ngadahar bonténg éta kalayan tenang jeung rakus tanpa hariwang yén buaya bakal ngudag manéhna ka daratan. Jeung ku cara kitu Kancil bisa nipu buaya", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4265", "text": "Adat atawa tradisi di indonesia aya loba pisan, salah sahijina aya tradisi tunggu tubang anu leuwih mangrupakeun wujud kabudayaan norma jeung saparangkat aturan anu di percaya turun temurunti nenek moyang atawa karuhun karuhun masarakat di suku semendo anu aya di dusun semendo kabupaten muara enim provinsi sumatera selatan. Tunggu tubang nyaeta tradisi anu di bebankeun ka budak awewe anu pangkolotna bisa nu kadua jeung katlu oge lamun di luhurna eweuh budak lalaki berlaku oge sabalikna Dina komunitas semén, hiji sistem lumaku kekerabatan indung (Matrilineal), dimana di masarakat mere prioritas ka turunan nurutkeun garis awewe. Nurutkeun parubahan jaman masih di lakukeun nepi ka ayeuna, para tokoh adat di daerahna masih terus nyekel tradisi ieu keur ngajaga jeung ngamumule adat istiadat ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3975", "text": "Basa akhir tahun kamari kuring jeung lima babaturan sakola kuring liburan ka jakarta, niat awal na mah ngan hayang nyobaan kareta cepat MRT. Urang mangkat bareng bareng ti sadang rek ka jakarta tapi liwat bekasi. jadi urang naek bes ka bekasi tuluy ti bes naek angkot ka stasiun bekasi. ti stasiun bekasi urang naek kareta ka arah jakarta kota. Ti stasiun jakarta kota tinggal lempang terus nyebrang urang ges nepi ka kawasan kota tua jakarta. Didinya loba pisan museum aya museum fatahilah, museum wayang jeung loba deui aya oge museum bank indonesia. Keur muteran kota ta anu luas pisan urang kabehan milih naek delman. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4918", "text": "Susu kedele mangrupa salah sahiji rupa susu nu dijieun tina kacang kadele. Susu kedele kagungan mangrupi-rupi nutrisi sareng zat gizi nu gunana sae pisan kangge kasehatan, sapertos protein, asam amino, serat, jeung sajabana. Asam amino dina susu kedele dipercaya tiasa nurunkeun kadar kolesterol dina tubuh. Kandungan protein na nyumbang andil ageung dina pertumbuhan. Ku kituna, susu kedele teh dianggap aman dikonsumsi atanapi dituang ku yuswa ngora dugi ka yuswa kolot. Salian eta, rasana nu kacida enak ngajadikeun ieu susu salah sahiji tuangeun wajib kangge sarapan. Cocok pisan pami dituangna sareng roti haneut atanapi beuleum ulen. Pokokna ieu tuangeun mah wajib pisan dijadikeun tuangeun andalan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1998", "text": "Libur sakola kamari, kuring jeung kulawarga indit ka Pangandaran. Abdi angkat ka Pangandaran sareng bapa, ibu sareng lanceuk. Urang opatan indit maké mobil pribadi bapa. Kami sakulawargi dugi ka Pangandaran tabuh 11.00, waktos harita simkuring teu tiasa check in di hotel, janten simkuring opatan ngantosan waktos check-in bari nyandak poto-poto caket pantai. Kuring ogé meuli és krim jeung adina mah. Teras saatos éta, urang tuang siang heula caket hotél. Kadaharan anu dipesen ngeunah pisan sareng kuring resep. Bapa mesen sangu fuyunghai, porsina ageung sareng cekap kanggo urang opatan. Indung kuring mesen sangu udang saos tiram, kuring mesen kerang saos tiram, jeung adina mesen sangu goreng tipung. Urang opatan ngaraosan tuangeun masing-masing, kuring bagja pisan poe eta.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4198", "text": "Imah tradisional di indonesia loba pisan misalna imah honai, imah tradisional papua. Di imah tradisional Papua ieu ti suku Dani, anjeun moal manggihan loba jandéla sabab dimaksudkeun pikeun ngajaga kaluar tiis. Imah Honai sorangan wangunna sirkular jeung hateupna kerucut dijieunna tina jarami.Sanajan kitu, anjeun masih bisa nyaluyukeun. Salian ti dijadikeun tempat cicing, suku Dani ogé ngagunakeun wangunan ieu pikeun ngumpulkeun jeung neundeun simbol-simbol tradisional, pakakas perang, lumbung, jeung hasil tatanén. Imah adat atawa imah tradisional ieu kudu urang tetep jaga jeung mumule kaayaanana. Lamun misaalkeun ges teu di pake cicing tapi masih bisa di jadikeun tempat atawa cagar budaya ameh anak incu ngkena apal imah imah adatna. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2396", "text": "Alat musik ieu didamel tina kai, anu digantungkeun di luhur kotak resonator minangka panyimpenan sora, dimaénkeun ku cara ngagebug 5 papan tulis sareng 2 batang kayu. Tiap potongan kai miboga ukuran anu béda-béda anu ngabalukarkeun bédana sora/nada.\r\nInstrumén ieu dipaké dina séri musik, nyaéta acara husus pikeun nyembah ka Nu Nyipta. Tapi aya waktosna ogé dianggo dina acara-acara anu tangtu, sapertos kawinan sareng pamakaman, contona.\r\nGarantung sarimbag jeung loba alat musik daerah di Indonesia, saperti Kalimantan Timur anu disebut Hati Utang, Lado-lado ti Sulawesi Tenggara, Kolintang ti Sulawesi Utara, Celempung ti Jawa Barat jeung sajabana.\r\nAbdi henteu terang kumaha kasusah ngawasaan musik ieu kusabab kuring henteu acan / henteu ngagaduhan kasempetan pikeun diajar, kuring ngan ukur kantos ningali sareng nyobian ngasal bari nganjang ka babaturan anu aktivis budaya Batak. saha nu boga Garantung ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7636", "text": "Lantaran pagawean rerencangan kuring seeur keneh, abdi kedah ngagantikeun manehna. Abdi asalna bade lembur sajam hungkul, janten lembur nepikeun mondok di kantor lantaran taun anyar tos beuki dekeut. Pagawean ieu kedah beres sateuacan taun anyar. Bos tos ngajangjikeun gaji rerencangan abdi bakal dipotong jeung dipasihkeun ka abdi lantaran abdi nu ngerjakeunna. Abdi sabenerna atoh oge lantaran taun ieu bade meser hiji barang anu lumayan awis pangaosna. Tilu poe ieu abdi kirang istirahat lantaran ngagawekeun pagawean rerencangan. Rerencangan abdi oge tos menta hampura jeung nganuhunkeun kuring lantaran tos sadia ngagantikeun manehna. Manehna oge ngajangjikeun bakal masihan kuring hadiah pas manehna tos sehat deui. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "146", "text": "Di Bandung aya transportasi nu ngaranna Bandros (Bandung tour on Bus). Sok dipake ku para wisatawan jang keliling Kota Bandung. Bandros ngan aya di dua shelter, nyaeta di Alun-alun Kota Bandung jeung di Jalan Diponegoro. Ieu ngan aya ti jam 10 nepi jam 16 hungkul. Kanggo harga tiketna 20 rebu saorang, samemeh naek mending meuli heula cai nginum sabab durasi naek Bandros na lumayan lila nyaeta sekitar 45 menitan. Nu paling ngeunaheun diuk di sisi katuhu, lantaran nu ngajelaskeun anu aya di sebrang katuhu jalan. Rute nu dilewatan nyaeta Braga, Alun-alun, Asia Afrika. Tour Guide na someah. Di akhir bakal dibawa ka tempat jurig-jurig nu aya di Jalan Asia Afrika.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8698", "text": "Ngalaman hirup desa boga rasa sorangan. Desa sering terasing tina hiruk pikuk kota sareng gaduh lingkungan anu langkung tenang sareng alam. Hawa seger, kehijauan, sareng suasana anu kirang bising tiasa masihan rasa tenang sareng tengtrem. Kahirupan di kampung biasana leuwih basajan jeung kurang riweh sakumaha hirup di kota. Kalolobaan jalma desa hirup tina tani, peternakan, sarta pagawean tradisional lianna. Ieu tiasa janten mujijat pikeun jalma anu hoyong hirup saderhana sareng teu kaganggu. Sanajan hirup di hiji desa bisa kurang variatif, loba jalma nu hirup di hiji desa senang jeung puas ku hirup basajan maranehanana. Kalolobaan jalma di desa hirup kalawan pangabutuh pangsaeutikna sarta neangan kapuasan dina hal basajan kawas kulawarga, masarakat, jeung lingkungan alam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3906", "text": "Dua poe katukang urang ngajakan indung urang meuli kompor di pasar. urang meuli kompor sabab kompor nu heubeul geus ruksak. Seuneu komporna leutik jeung boros gas teuing. Jadi pikeun ngahemat gas sarta emang ges waktu na ganti kompor lantaran kompor nu heubel umur na ges lebih ti lima tau, Urang ngahaja hayang meuli kompor nu alus sakalian pikeun efisiensi, ameh kaditu na komporna awet teu babari ruksak deui. Daripada meuli nu murah ngke teu lila ruksak kudu meuli anyar deui kalahka lewih boros jeung mahal. Sanggeus na kukurilinga di pasar urang manggihan kompor nu kacirina cocok pisan jeung sesuai jeung anu di teangan, teu lila geus nawar hargana akhirna cocok terus urang langsung mutuskeun meuli kompor na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1579", "text": "Urang mindeng boga babaturan nu deukeut, tapi sataunan ge sok ngaleungit. Ku sabab sababaraha hal anu teu cocok, sabab salah ngomong. Urang hese ngawangun hubungan pertemanan nu lila, balik deui urang mindeng nyalahkeun aya nu salah di diri urang sorangan. Sakapeung mah hese sare ngan mikiran urang salah naonnya ka batur? Padahal mah baturna nu salah, lain urang. Baheula mah mun aya babaturan nu ninggalkeun urang, urang sedih, ceurik. Tapi ayeuna mah geus di fase maneh rek babaturan jeung urang hayu, mun henteu oge teu nanaon. Sabab jelema mah lain maneh hungkul, urang bisa hirup euweuh maneh ge. Ayeuna mah geus cuek jeung geus teu paduli.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "535", "text": "Hiji poe aya gagak nu maok dendeng di tempat moekeun. Pas manehna hiber jeung mawa dendeng dina sungutna, gagak panggih jeung hiji anjing. Anjing nu hayang ngarebut dendeng sang gagak langsung ngaluarkeun puji-pujian jang manehna. Gagak nu resepeun pujian eta. teu sadar geus ngaluarkeun sora gaak gaak nepikeun kadaharan dina sungutna murag. Di momen ieu anjing langsung nyokot dendeng eta jeung mawa ka tempat nu jauh. Ninggalkeun gagak nu kaduhung ku prilakuna sorangan nepikeun ka kaleungitan kadaharan nu dipikaresepna. Pesan moralna ngajarkeun arurang meh teu babari terbuai ku pujian. Soalna bisa jadi batur nu mere pujian teh mibogaan niatan nu butut.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2291", "text": "Perayaan Nyepi dumasar kana kalénder Saka. Taun Anyar Saka miboga harti minangka poé hudang, poé pembaharuan, poé kabersamaan (kasatuan jeung integritas), poé toleransi, poé katengtreman ogé poé karukunan nasional. Unggal taun umat Hindu ngarayakeun pergantian Taun Saka anu dilaksanakeun ku cara Nyepi salila 24 jam.\nDina mangsa Nyepi, umat Hindu ngalaksanakeun runtuyan acara anu ngawengku:\ntawuran\nTawur dina basa Jawa sarua hartina jeung saur, dina basa Indonesia hartina mayar hutang. Dina unggal catus pata (parapatan) désa atawa pakampungan ngandung lambang pikeun ngajaga kasaimbangan.\nUpacara Melati\nBiasana dipigawé dina panganyarna dina Tilem Sore. Inti tina acara ieu nyaéta pikeun nyucikeun Bhuana Alit (sifat manusa) sareng Bhuana Agung (alam semesta). Kagiatan ieu dilaksanakeun di sumber cai suci kelebutan, campur, patirtan, jeung laut.\nAmati Geni\nAya opat pantangan anu kudu dilaksanakeun dina mangsa Nyepi, salah sahijina nyaeta Amati Geni anu hartina ngajauhan seuneu.\nTembak Geni\nMimitian ku kagiatan anyar anu diluluguan ku mesima krama di lingkungan kulawarga, padumuk pangdeukeutna (tatangga) jeung di rohangan anu leuwih lega. Yadnya dilaksanakeun sabab urang hayang ngahontal bebeneran.\nNawiskeun bakti atawa adoration\nKagiatan ieu dilaksanakeun di balai agung atawa pura désa di unggal désa pakraman, sanggeus balik ti mekiyis.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5823", "text": "Game teh ayeuna mah lain wae dina aplikasi game, tapi oge aya dina aplikasi marketplace jiga Shopee. Jadi, mun maen game dina Shopee mah bakal bisa ditukeur kana koin Shopee nu engkena bisa dikonversi ka acis digital dina shopeepay. Game na oge rupa-rupa, aya Shopee tanam, aya Shopee capit, Shopee puzzle, jeung masih loba deui game lainna. Kabeh game na teh ngahasilkein diamond nu bisa dituker kana koin shopee. Mun dikumpulkeun jeung dileukeunan mah lumayan bisa nepi ka kapeser pulsa atawa barang lain nu murah meriah. Jadi, dari pada meakkeun kuota teu paruguh pake maen game, mending pake maen game di Shopee, supaya bisa meunang acis. Yuk urang leukeunan neangan acis saperak-perakeun tina maen game!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4531", "text": "Selancar nyaéta salah sahiji tina loba na olahraga ekstrem anu di laut, olahraga selancar anu biasana lumangsung dina ombak luhur. Olahraga ieu dilakukeun ku ngagunakeun papan salaku alat pikeun maneuver gerak dina ombak. Papan bakal gerak ngagunakeun kakuatan gelombang handap eta jeung arah ieu steered ku surfer. Adrenalin bakal didorong sabab diteken pikeun ngarahkeun papan selancar bari ngajaga kasaimbangan. Sarupa jeung rodeo, tapi dina olahraga ieu para peselancar naek ombak liar. Olahraga selancar biasana lamun di indonesia loba di lakukeun di Bali, loba peselancar peselancar ti laur ngeri nu nngahaja datang ka bali keur nyobaan olahraga ieu di ombak laut bali. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2339", "text": ". Dina raraga Upacara Sérén Taun ieu, Damar Séwu mangrupa helaran kabudayaan nu ngamimitian runtuyan upacara adat seren taun Cigugur. Nyaéta gambaran manusa dina ngalaksanakeun prosés kahirupan boh sacara pribadi boh sacara sosial. Tari Buyung anu mangrupa tarian tradisional Sunda anu ngagambarkeun masarakat Sunda dina nyokot cai, Upacara Dadung mangrupa upacara sakral masarakat anu dilaksanakeun di Mayasih anu mangrupa usaha pikeun nyucikeun jeung ngajaga kasaimbangan antara sipat positif jeung negatif, ku kituna pihak dadung téh. usaha pikeun nyucikeun jeung ngajaga kasaimbangan alam sangkan hama jeung unsur négatif henteu ngaganggu kahirupan manusa. Tina jihat budayana, upacara adat Seren Taun anu saban taun dilaksanakeun di Kabupaten Kuningan, tangtos hiji hal anu tiasa dibanggakeun ku masarakat, lantaran saban diayakeunna acara Seren Taun, tiasa ngadatangkeun rebu-rebu warga di jero sareng luar nagri. wisatawan. Ngan ditilik tina sisi ékonomi tacan bisa méré pangaruh ékonomi ka masarakat sabudeureunana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7421", "text": "Platypus janten pilihan lamun hoyong maen kaulinan dina komputer tapi bisa dimaenkeun ku duaan langsung. Kaulinan anu ngusung tema di luar angkasa ieu janten paporit lantaran janten salah sahiji kaulinan anu ngaluarkeun kaulinan tetembakan sabari ngapungkeun kapal terbang, janten teu nyieun urang bosen. Basa eta tos seeur kaulinan anu konsepna tetembakan, tapi kaulinan ieu konsepna sederhana tapi pikaresepeun. Baheula abdi mineng maen kaulinan ieu di bumi sareng pun lanceuk. Kaulinan ieu kaasup gampil lantaran urang tinggal ngarahkeun make muse kanggo gerak ka handap jeung luhur sabari mencet mouse na kanggo nembak. Komo lamun tos di akhir, urang kedah nembak hiji pesawat anu pang badagna nepikeun hancur. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5853", "text": "Ayeuna mah acara televisi teh sok ngutamakeun unsur hiburan jeung ngesampingkeun unsur edukasi ka penonton na. Loba acara televisi anu asal jadi jang ditayangkeun padahal loba kacacatan nana. Teu saeutik oge anu tayangan edukatif teh kalah dikurangan siaran nana. Justru kuduna mah tayangan televisi teh ngutamakeun unsur kabermangpaatan, lain kur hiburan hungkul. Jiga acara sinetron nu ngayakeun carita direka barijeung teu sasuai logika. Sedengkeun tayangan edukasi teh jarang pisan disiarkeun dina televisi. Hal ieu teh jadi tanda tanya besar sabab ngaruh oge kana sikap masyarakat. Jadi, yuk mulai ti ayeuna mah kudu pilih-pilih tontonan, kudu pinter nyaring acara nu bermanfaat jeung nu henteu!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6652", "text": "Lamun keur ngerjakeun tugas atawa keur maca buku biasana urang butuh camilan. Camilan oge macem-macem, aya nu asin, lada, jeung amis. Karesep abdi nyaeta camilan anu asin jeung lada. Abdi resep camilan asin lantaran saatos ngadahar camilan asin sok janten gampang hoyong eeut, abdi janten leuwih sering leeut cai sabab biasana sok poho leeut cai padahal cai teh penting pisan kanggo awak. Tapi abdi oge resep dahareun anu lada sabab jadi cenghar saatos emam lada. Abdi resep camilan gurilem lantaran rasana gurih amis lada jeung teu pati heuras. Gurilem didamel tina aci anu dipoe teras digoreng, pokona mah dahareun anu bahan na ti aci moal gagal mun digoreng.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7188", "text": "Aceh kasohor ku tarian daerah na anu seeur. Aya Tari Saman, Tari Bungong Jeumpa, aya oge Tari Seudati. Sanajan duanana asalna sami ti Aceh, tari Saman jeung tari Seudati benten dina gerak dasar tari. Tari Saman dilaksanakeun dina posisi diuk. Sedengkeun tari Seudati dilaksanakeun dina posisi nangtung. Tari Seudati nyaeta tarian has Aceh anu kasohor di Indonesia jeung mancanagara. Tari ieu mawa tema jeung harti anu patali jeung tekad, sumanget sarta jiwa kapahlawanan hiji lalaki Aceh. Dina awal kamekaran tari ieu, baheula ngan ukur dijadikeun sarana nyebarkeun dakwah Islam anu dilaksanakeun di tanah rencong. Hal ieu tiasa dibuktikeun ku puisi dina tari Seudati anu nyaritakeun ngeunaan ajaran jeung nilai-nilai Islam.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7211", "text": "Menu dahareun anu populer pisan di Indonesia nyaeta Sangu koneng. Kadaharan anu dijieun tina beas anu dicampur koneng ieu biasana disuguhkeun sareng lauk sapertos orek tempe, endog dadar anu dipotong-potong panjang, bihun, perdekel jeung hayam goreng. Aya oge sayuran sapertos bonteng, salada jeung urab. Biasana kurupuk anu disuguhkeun sareng nasi koneng, nyaeta kurupuk oren. Sangu koneng gaduh rasa anu leuwih gurih ti sangu bodas lantaran dijieun nganggo koneng jeung santen. Sangu koneng biasana disuguhkeun sareng sambel cabe. Sangu koneng oge katelah Nasi kunyit di Malaysia sareng Singapura. Sangu koneng mineng disajikeun pas ulang taun, syukuran khitanan, atawa acara anu sanesna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4191", "text": "Rumah Gadang sabagé tempat cicing babarengan, boga bekelna sorangan. Jumlah kamar gumantung kana jumlah awéwé nu hirup di aranjeunna. Unggal awéwé di clan anu nikah meunang kamar. Sedengkeun awéwé heubeul jeung barudak meunang tempat di kamar deukeut dapur. katresna rumaja meunang kamar dibagikeun di tungtung séjén. Sakabéh bagian tina Rumah Gadang téh kamar misah iwal kamar tidur. Jero dibagi kana tapering sarta spasi ditandaan ku kutub. Tihang-tiang manjang ti beungeut ka tukang jeung ti kénca ka katuhu. Kutub anu ngajajar ti hareup ka tukang nandaan bujur, sedengkeun kolom ti kénca ka katuhu nandaan spasi. Jumlah lanjar gumantung kana ukuran imah, bisa dua, tilu jeung opat. Kamar diwangun ku jumlah ganjil antara tilu jeung sabelas. Rumah Gadang biasana diwangun dina lahan milik kulawarga utama suku/marga sacara turun-temurun[2] sarta ngan ukur dipiboga jeung diwariskeun ti jeung ka awéwé dina éta marga.[3] Di buruan hareup Rumah Gadang biasana aya dua wangunan Rangkiang, dipaké pikeun neundeun béas. Imah Gadang di beulah katuhu jeung kenca gedongna miboga anjung (Basa Minang: anjuang) minangka tempat pameutingan pangantén atawa tempat penobatan kepala adat, ku lantaran kitu imah Gadang ogé disebut imah Baanjuang. Anjung di kelarasan Koto-Piliang ngagunakeun tongkat, sedengkeun dina kelarasan Bodi-Chaniago henteu ngagunakeun tongkat handapeunana. Hal ieu luyu jeung béda falsafah nu dianut ku dua golongan ieu, golongan kahiji nganut prinsip pamaréntahan hirarkis maké anjung nu maké tongkat, dina golongan kadua anjuang siga nu ngambang di awang-awang. Teu jauh ti komplek Rumah Gadang biasana diwangun surau rahayat anu fungsina minangka tempat ibadah, tempat atikan sarta ogé minangka tempat cicing lalaki dewasa ieu jalma anu can kawin.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7630", "text": "Tos saminggon ieu abdi ngarasakeun gawe di kantor. Abdi tos kenal tempat naon wae anu aya di kantor, abdi tos lumayan dekeut sareng satpam jeung sababaraha tempat dahar anu mirah jeung ngeunah anu biasa didatangan ku pagawe di kantor ieu. Abdi oge tos mutuskeun bade di divisi mana abdi digawe. Isukan abdi mutuskeun indit make kareta lantaran leuwih gancang jeung teu macet, abdi oge janten tiasa istirahat di jalan. Abdi oge teu luput tina kasahalan, dina saminggon ieu abdi diajar seeur pisan tina kasahalan rerencangan jeung kasalahan kuring sorangan. Ti kasalahan eta abdi janten leuwih ati-ati jeung geus apal kumaha ngagawekeun padamelan supados sasuai jeung parentah ti bos. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1557", "text": "Mibogaan tatangga anu bageur dina kahirupan bertetangga bisa mere urang perasaan anu positif jeung ngabungahkeun. Pas mibogaan tatangga anu bageur, urang ngarasa nyaman jeung aman dina lingkungan tempat cicing urang. Urang teu kudu hariwang ngeunaan kaamanan lingkungan atawa hal-hal anu teu dipikahayang siga kagandengan atawa konflik. Salian eta, mibogaan tatangga anu bageur oge mantuan urang dina situasi-situasi darurat atawa pas urang ngabutuhkeun bantuan. Urang oge ngarasa leuwih deukeut jeung ngarasa leuwih dihargaan salaku anggota masarakat. Hal ieu jadi bisa nyiptakeu nrasa solidaritas jeung mantuan urang ngarasa leuwih bahagia jeung puas dina kahirupan urang sapopoe. Urang oge jadi teu ngarasa kesepian, utamana mun keur ngarantau jauh ti kulawarga atawa babaturan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "832", "text": "Raket badminton aya tilu bagian utama. Hulu raket mangrupakeun bagian nu bentukna oval nu di tengahna teh aya senaran jang nahan jeung mantulkeun kok. Tuluy aya bagian batang raket nu fungsina jang penghubung antara hulu raket jeung bagian cecepenganna. Tuluy di handaf shaft aya handle grip nu make bantalan karet atawa kaen, jang tempat ramo nyepengan raket. Ukuran raket biasana ditulis babarengan jeung ukuran cecepengan raket. Raket badminton oge aya tilu jenis nyaeta hampang, beurat, jeung nu saimbang. Masing-masing jenis hulu raket ieu mibogaan fungsi anu beda-beda. Hulu raket anu beurat fungsina jang nembak smash ka arah lawan leuwih kuat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6702", "text": "Aya loba cara kanggo ngolah oncom, bisa dijadikeun toping surabi, dijieun karedok leunca, bisa oge dipasak janten sayur oncom genjer. Sayur genjer gaduh seeur mangpaat, salah sahijina sae kanggo kasehatan tulang jeung huntu ku lantaran kandungan fosfor jeung kalsium anu seeur aya di sayur genjer. Komo jaman ayeuna geus loba budak ngora keneh tapi boga panyawat siga nini-nini jeung aki-aki. Dahar sayur kedah janten kabiasaan anu dilakukeun unggal poe sabab awak urang butuh. Sanajan urang teu resep kana sayur, tetep we awak urang butuh sayur kanggo ngalengkepkeun kebutuhan vitamin jeung mineral. Supados urang hoyong emam sayur, urang kedah tiasa ngolah sayur janten dahareun anu rasana ngeunah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3990", "text": " Yogyakarta magrupa kota anu kental pisan ku adat jeung budayana. Daerah anu sesuai jeung ngarana provinsi na nyaeta DIY Daerah Istimewa Yogyakarta nyaeta tempat istimewa jeung surga na para wisatawan, Di yogyakarta nu kentel keneh ku adat istiadat na jadi daya tarik utama wisatawan datang ka yogya. Loba warisan budaya nu bisa loba di pelajari di yogya, teu ngan budaya yogya oge ngabogaan rupa rupa makanan khas saperti gudeg, bakpia intip jeung sajabana. Tempat wisata ge loba pisan tersebar di yogya, rata rata tempat prasejarah jeung museum loba pisan di yogya jadi wisata sambil belajar di yogya oge loba universitas alus matak yogya sok di sebut kota pelajar. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2026", "text": "mangrupikeun salah sahiji hobi kuring sareng upami dipikir-pikir, éta mangrupikeun hobi pangkolotna kuring anu masih jalan dugi ka ayeuna (sanaos kuring parantos jarang ngobrol di dinya deui) sabab upami diétang, hobi ieu parantos aya. ti taun 2014. Di dinya mah biasa ngedalkeun rasa kahariwang mah dina wangun puisi, carita pondok, atawa tulisan biasa saperti kiwari. Waktu harita kuring resep nulis dina blog sabab kuring hayang tulisan kuring dibaca ku balaréa, da meureun aya nu ngabales, tapi ti saprak kuring sadar yén kuring téh lain Raditya Dika, hobi kuring nulis dina blog, bener-bener kagiatan kuring. pikeun curhat atanpi misalkeun aya tips-tips nu merenah jang dibagikeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8838", "text": "Poe ieu bapa kuring jeung kuring lalajo maén bal di stadion deukeut imah kuring. Ti lawang gerbang asup ka gedong stadion, jarakna rada jauh, urang kudu leumpang kira-kira sapuluh menit nepi ka hareupeun lawang stadion. Saparantos lebet, abdi reuwas, seueur pisan korsi ngajajar ngeusian stadion, jumlahna tiasa langkung ti 2000 korsi di dinya. Lapangna oge lega pisan, jukut hejo marakbak di tengah gedong stadion, katingali endahna. Abdi sareng bapa linggih di barisan tukang, tina korsi abdi tiasa ningali sadayana ti luhur. Pas pamaén kaluar ka tengah lapang keur pertandingan pembukaan, suasana jadi ramé, kabéh ngagorowok pamaén karesepna, kitu deui jeung kuring. Abdi bagja pisan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3947", "text": "Kampung kahuripan cirangkong purwakarta mangrupa wewengkon wisata atawa tempat wisata anu ngawanohkeun budaya sunda jeung lingkungan Sunda. KOnsep tempat wisata na teh nyaeta educational pariwisata atawa nu biasa di singkat eduwisata. Konsep ieu fasilitas pikeun maenkeun kaulinan has Sunda, kasenian Sunda saperti Calung jeung Angklung, nepi ka énérgi alternatif tina surya jeung cai. Aya ogé tempat kaulinan, saung sareng tempat kemah. Aya deui kebon binatang mini jadi bisa ngajarkeun budak rupa rupa binatang , aya oge waterbom kolam renang, aya oge outbond nu bisa di jadikeun edukasi katangkasan anak anak jeung keur dewasa na nu ngabaturan aya loba spot fto foto nu alus jeung aya loba tukang dahareun. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "534", "text": "Baheula aya hiji patani anu miskin hirupna teh barengan jeung meri nu dipibogana jeung kasohor ku pekerja keras. Manehna tuluy ngadoa ka Allah SWT ngameh jadi beunghar nepikeun ka bisa ngadahar naon wae. Teu disangka-sangka doana teh dikabulkeun jeung meri nu dipiboga manehna mimiti endogna emas unggal poe teh. Tuluy kondisi keuanganna dumadakan robah pisan, tapi ku sabab kieu kalakah manehna jadi males. Saking malesna, manehna mutuskeun jang meuncit si meri eta sabab hoream bulak-balik nyokot endogna. Pikiranana teh manehna bisa sakaligus nyokot kabeh emas dina jero awal si meri eta lamun dipeuncit. Tapi teu disangka-sangka meri eta kalakah maot jeung manehna kaleungitan kabeh hartana sabab teu pinter ngatur duit.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5731", "text": "Voli jadi salah sahiji olahraga kabanggaan masyarakat sabab babari dipaenkeunna. Biasana sok dua regu sakali dipaenkeunna. Tah latihan dasar na teh nyaeta latihan servis bola voli, aya servis bawah jeung servis atas. Servis bawah mah dilakukeunna ku tangan kiri nyepeng bola terus tangan kanan na mukul bola make pangkal talapak tangan nu jarina dikeupeulkeun. Geus kitu, sampean kenca dipajukeun saeutik, nu katuhuna jadi tumpuan utama. Geus kitu, atur arah pukulan bola jeung atur tanaga supaya meujeuh kana target di zona lawan. Mun servis atas mah dilakukeun na ku cemesan. Jadi, leungeun kenca diluhur nyepeng bola jeung leungeun katuhu ditarik katukang jang ngawahan nyemes bola.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5799", "text": "Mangpaat olahraga teh besar pisan jang badan sorangan. Kagiatan olahraga teh bisa ngaproduksi hormon endorfin, salah sahiji hormon nu fungsina ngaproduksi hormon bahagia. Jadi sacara teu langsung, mun rajin ngalakukeun olahraga, bakal sering ngarasa bahagia jeung pikiranna leuwih positif dina mandang sagala hal. Hormon endorfin oge bisa ngurangan rasa nyeuri jeung ngabangkitkeun energi positif nu aya dina badan. Olahraga oge bisa ningkatkeun produksi imunitas tubuh, jadi bisa ngahindari jeung nangkal sagala rupa panyakit. Biasana olahraga oge bisa ngabangkitkeun semangat jeung ngajalani aktivitas. Salian eta, bakal stabil oge dina berat badan jeung kabiasaan produktivitas. Nu rajin olahraga mah bakal jauh tina rasa leuleus jeung hawa hoream.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7972", "text": "Indonesia mangrupakeun negara anu jalan rayana macey pisan lantaran pinuh ku kandaraan pribadi. Teu heran lantaran pangaos kandaraan umum sapertos motor jeung mobil di Indonesia mah teu pati awis, teu sapertos di luar negeri anu kabehna mahal, mulai ti harga mobilna sorangan anu geus awis, ditambih pajak jeung bengsinna oge leuwih awis. Padahal lamun loba jalmi anu nganggo angkutan umum jeung loba anu mapah , jalanan pasti moal matak macet. Ayeuna kondisina loba kandaraan pribadi ongkoh, loba oge angkutan umum, jadi beuki weh macet. Abdi sorangan mah sabenerna resep pisan numpak angkot, ngan hanjakal ayeuna tos sakedik jalmi anu nganggo angkot. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4193", "text": "Rumah adat tradisional di indonesia aya loba salah sahijina imah joglo. Imah joglo nayeta imah adat ti provinsi jawa tengah. Harti Joglo sorangan asalna tina kecap Tajug Loro (Juglo) anu hartina dua gunung. Dina falsafah Jawa, gunung mangrupa tempat anu luhur tur suci.Upama ningali kana wangunan imah Joglo, bakal kapanggih dua gunung nu katingali tina wangun hateup imah Joglo. Tapi dina perkembanganana, sesebutan kecap Juglo robah jadi Joglo sakumaha anu di kenal jaman kiwari. Lila-lila jaman, ayeuna imah Joglo ogé bisa diwangun ku rupa-rupa golongan sarta mindeng bisa dipaké dina wangunan pamaréntah, restorant atawa kantor. Handapeun hateup Imah Joglo anu kaciri unik, aya 4 tihang di tengah imah anu ukuranana leuwih jangkung pikeun nyangga atawa nyanggakeun hateupna. Opat rukun ieu biasana disebut rukun guru. Filsafat opat rukun mangrupa gambaran kakawasaan opat angin. Ku lantaran kitu, masarakat percaya yén panyumputan di Imah Joglo bisa nyingkahan musibah nalika datang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4501", "text": "Ngangkat barbell mangrupa salah sahiji latihan kakuatan paling umum dipaké pikeun ngagedekeun otot panangan. Dumbbells datangna dina sagala rupa ukuran, ti leutik nepi ka badag. Sateuacan ngawitan latihan rutin, anjeun kedah mertimbangkeun kualitas gerakan anjeun sareng kamampuan awak anjeun.Ieu boga tujuan pikeun mastikeun yén anjeun ulah tatu salila olahraga, utamana lamun rék angkat beurat beurat. Barbells teu salawasna boga beurat beurat. Ukuran barbell anu anjeun tiasa saluyukeun nurutkeun kamampuan anjeun, khususna pikeun pamula.Tangtosna, cara anu paling aman pikeun angkat barbel pikeun pamula nyaéta nyuhunkeun bantosan palatih pribadi atanapi palatih profésional.Aranjeunna bakal ngiringan anjeun bari mastikeun yén gerakan sareng posisi awak leres nalika angkat barbell.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5478", "text": "Alat musik tradisional jadi salah sahiji warisan budaya nu kedah dilestarikeun jeung dijaga eksistensina. Salah sahiji warisan budaya dina bentuk alat musik tradisional nyaeta gamelan. Gamelan mangrupakeun alat musik gabungan tina gong, kenong, gambang, saron, celempung, jeung alat musik sejenna. Ti tahun 2014, gamelan geus diakui UNESCO jadi warisan budaya dunia ti Indonesia. Hal ieu nunjukkeun bahwa gamelan bisa jeung berhasil ngarepresentasikeun kaunikan jeung kakayaan nana. Gamelan disimbolkeun tina kaselarasan hirup. Gamelan biasana dipake jang ngiringan karawitan. Alat musik ieu teh mangrupakeun paduan kaselarasan ti Sunda, Jawa, jeung Bali. Mantak teu aneh mun gamelan jadi simbol kaselarasan jeung eksistensina oge bisa tembus ka kancah internasional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4718", "text": "Loba na kaum milenial anu leuwih milih jadi wirausaha teh suatu kauntungan keur nagara, indonesia anu ayeuna ngabogaan loba bonus demografi, bonus demografi nyaeta loba na jelema anu keur dina usia produktif na usia anu keur mejeuh na di gawe. Bonus demografi ieu sifat na bisa dua aya kauntungan jeung karugian nana. Kanurungan na nyaeta urang bisa leuwih berdaya ku loba na tanaga kerja di usia prduktif na anu bisa bakal nymbangkeun loba pajak ka nagara tapi karugian nana nyaeta lamun urang gagal ngaberdayakkeun bonus demografi ieu bakal jadi masalah gede kusabab bakal loba pangangguran dina usia produktif na. Dii jaman milenial ayeuna anu leuwih milih di gawe na wirausaha ngabantuan pisan nagara nyaeta bisa nyerep loba tanaga kerja. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9478", "text": "Liburan jeung babaturan pasti bakal jadi pangalaman nu teu bisa dipohokeun. Aya sabaraha sabab anu nyieun pangalaman ieu teu bisa dipohokeun. Mimiti, liburan sareng rerencangan bakal ngajantenkeun anjeun langkung santai sareng betah sabab tiasa ngabagi pangalaman sareng kahibur ku waktu babarengan. Kadua, liburan sareng renerencangan oge tiasa ngabantosan anjeun ngembangkeun hubungan sareng rerencangan anjeun. Katilu, liburan sareng rerencangan oge tiasa nyobian hal-hal anyar. Kaopat, liburan sareng rerencangan oge tiasa ngajadikeun hubungan janten langkung terbuka. Janten, upami anjeun hoyong ngalaman liburan anu teu bisa dipohokeun, cobian liburan sareng rerencangan anjeun. Anjeun bakal ngarasa bagja sasarengan. Tong ragu ngadamel rencana liburan sareng rerencangan sankan bisa ngalaman anu moal bisa kaganti.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5477", "text": "Angklung teh salah sahiji alat musik tradisional ti Jawa Barat nu tos kawenta kamana-mana, malahan mah tos dugi ka kancah internasional. Angklung teh dijieunna tina awi nu direka-reka supaya bisa sarua jeung nada. Cara mainkeunnana nyaeta dioyakeun sasuai irama lagu. Pamaen angklung biasana nu tos paham pisan, sabab ngabutuhkeun kamampuan musik nu luar biasa oge kamampuan multi tasking. Angklung teh tos diakui dunia sebagai salah sahiji kabudayaan benda nu kalestarian na pesat dugi ka ayeuna. Penampilan angklung teh biasana kangge nyambut tamu jeung sok aya dina acara-acara penting kabudayaan oge acara pamarentah Jawa Barat, bahkan teu jarang digunakeun oge kangge nyambut tamu internasional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1954", "text": "Tempatna di kiduleun Kabupatén Garut, sajaba ti panorama has perkebunan. Perkebunan Teh Cikajang perenahna pas di tengah gunung Papandayan sareng Cikuray. Perkebunan ieu diadegkeun ku Karel Frederik Holle, dina mangsa pamaréntahan Hindia Walanda. Holle mangrupakeun salah sahiji nu boga perkebunan teh kawentar nepi ka ayeuna. Anjeunna katelah Master Teh Ti Priangan Timur. Sanaos anjeunna warga Walanda, Holle dikenal pisan paduli ka pribumi. Anjeunna ogé ngadegkeun sakola pikeun pribumi anu disebut Sakola Adat. Gedong sakola ayeuna geus jadi Mabes Polri. Perkebunan Teh Cikajang ayeuna dikokolakeun ku PTPN VIII. Ieu wewengkon ogé mangrupa tempat wisata di Garut anu punjul. Hamparan tatangkalan hejo anu ngarusak panon jadi daya tarik unik pikeun ngumbara ka ieu tempat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2754", "text": "Hp POCO F4 GT ngabogaan batré anu cukup badag, nyaéta 5.00 MAH. Ku kituna, anjeun tiasa nganggo POCO F4 GT kalawan bébas pikeun sagala rupa kagiatan sapopoe tanpa kudu salempang ngeunaan kaluar tina kakuatan. Telepon bakal sayaga kanggo waktos anu lami. Upami anjeun leres-leres kedah ngecas, anjeun henteu kedah hariwang ngeunaan nyéépkeun waktos seueur pikeun ieu. Ieu kusabab POCO F4 GT dilengkepan carjer hypercharge 120 Watt. Ngan ukur butuh 40 menit pikeun ngecas ponsel anjeun tina kosong dugi ka 100 persen. Kombinasi nu alus yen batre gede jeung teresna ngecas ku daya casan jeung kabel nu ngadukung 120 Watt, ngabedakeun Hape Poco F4 GT jeung nu saangkatanna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7110", "text": "Sanggeus Indonesia merdeka dina taun 1945, cita-cita gede pikeun ngawangun masjid anu tiasa dijadikeun tempat anu dibanggakeun ku warga Jakarta sakaligus janten tempat ibadah geus netep dina sanubari masarakat Indonesia. KH. Wahid Hasyim, Menteri Agama Indonesia kahiji jeung sababaraha Ulama ngusulkeun pikeun ngawangun masjid anu tiasa janten simbol pikeun Indonesia. Taun 1953, KH. Wahid Hasyim, salaku Mentri Agama Indonesia kahiji kalayan H. Agus Salim, Anwar Tjokroaminoto jeung Ir. Sofwan jeung dibantuan ku kira-kira 200 tokoh Islam anu dipingpin ku KH. Taufiqorrahman ngusulkeun ngadegkeun yayasan. Tanggal 7 Desember 1954 diadegkeun yayasan Masjid Istiqlal, dipupuhuan ku H. Tjokroaminoto pikeun ngawujudkeun gagasan ngawangun masjid nasional.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "458", "text": "Mangpaat kurban di poean Idul Adha, nu kahiji jadi sarana ngadeukeutkeun ka Allah SWT. Kurban mangrupakeun salah sahiji ibadah nu dijalankeun jang sarana kanggo ngadekeutkeun diri ka Allah SWT. Nu kadua jadi ungkapan rasa syukur, kurban dilakukeun jang ungkapan rasa syukur sabab geus dibere nikmat kahirupan nu geus diberekeun ku Allah SWT jeung ngahirupkeun sunat nu diwariskeun ku Nabi Ibrohim AS. Nu katilu jadi penghapus dosa, kurban ieu oge bisa dijadikeun kendaraan jang orang nu bersangkutan pas ngaliwatan shiraath di akherat engke. Nu terakhir, kurban oge jadi amalan nu dipikaresep ku Allah SWT, meuncit hewan kurban kaasup amal soleh nu mibogaan kautamaan gede.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4943", "text": "Dina google, seueur pisan website nu eusina resep masakan. Aya nu hese di akses, aya nu babari pisan diakses na. Resep nu biasana babari diturutan atawa dipraktekeun mah jiga dina website cookpedia, dapurkintamani, jeung sajabana. Dahareu nu dijieun na biasa arenak pisan tur simpel tina segi cara masak jeung bahan-bahan nu dipake na. Ayeuna mah teu kudu bingung mun teu bisa masak teh, cukup tinggal buka google jeung turutan bahan na. Jadi, sagala ge ayeuna mah bisa dijieun asal urang daek neangan. Yuk ah ti ayeuna biasakeun masak dahareun nu ku urang dipikahoyong! Bisa nyesuaikeun rasa na jeung letah urang sorangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5905", "text": "Basa nuju di lembur, abdi jajan seblak ka pasar malam. Lembur abdi teh masih keneh pelosok nu kurang kajamah ku teknologi. Basa nuju jajan, abdi nempo aya nu make sapeda listrik ngaliwat. Ieu nu jadi fenomena langka sabab di lembur acan aya nu kitu. Jadi hal ieu dianggap kajadian langka jeung terobosan baru di masyarakat lembur. Loba masyarakat anu terpana sabab nempo sapeda litrik ngaliwat di lemburna. Loba oge nu penasaran ngeunaan meuli jeung pengoperasian nana. Abdi pribadi mah geus teu aneh sabab nganggap teknologina geus mulai asup kana masyarakat di lembur sakalipun anu bakal nyieun masyarakatna leuwih ramah teknologi jeung mulai terbiasa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5066", "text": "Basa libur sakola, Raka liburan di imah ninina. Kaleresan pisan mareng jeung usum rambutan. Unggal poe Raka milu jeung ninina kuli ka kebon rambutan. Ninina kuli mengkeutan rambutan, Raka uulinan di kebon atawa aayunan na tangkal rambutan. Raka sok ningalikeun ninina digawe, lila-kalilaan aya rasa empati muncul. Raka inisiatif ngabantuan ninina ku cara metelan rambutan. Saprak bisa ngabantuan, unggal poe Raka metelan rambutan jeung ngabantuan ninina. Rambutan dipetelan hiji-hiji supaya bisa dibeungkeut. Tos eta rambutan teh digedengkeun, sagedengna aya dua beungkeut. Raka bersyukur pisan liburan ayeuna bisa mantuan ninina jeung deuih boga elmu anyar nyaeta cara ngolah rambutan. Teu kitu hungkul, Raka oge jadi berpikir lebih ngahargai kerja keras.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5714", "text": "Basa nuju alit mah Andi resep pisan kana maen lompat tali teh. Unggal istirahat di sakola atawa istirahat keur ngaji teh osok maen lompat tali, tara kaliwat. Malahan mah uih sakola ge sok langsung indit ulin deui jeung babaturanna. Tah, maen lompat tali teh jadi kaulinan wajib pisan bareto mah, sabab ngaluncatan talina bertahap ti sajeungkal nepi ka sajeungkal luhureun mastaka, tuluy mi merdeka. Nu dipikaresep na oge nyaeta nyieun talina tina karet nu diuntun nepi ka panjang, jadi hal eta teh tantangan nu rame pisan. Geus gede mah Andi teh makin ngurangan maen lompat talina sabab baturna geus mulai saribuk sorangan, euweuh waktu jang uulinan deui.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7208", "text": "Rendang nyaeta kadaharan anu asalna ti Indonesia anu kasohor di dunya. Dahareun ieu mangrupikeun dahareun anu didalem make daging sapi anu dipasak kalayan campuran khusus tina bawang beureum, bawang bodas, cabe, jahe, daun salam, daun jeruk, kunyit sareng rempah-rempah anu sanes. Rempah-rempah ieu dicampurkeun sareng santan sareng dimasak dina seneu anu sedeng sababaraha jam dugi ka dagingna lembut sareng santan nepikeun kentel. Rendang gaduh rasa anu beunghar jeung kuat, kalayan seungit rempah-rempah. Ieu mangrupakeun masakan populer di Indonesia sarta di dunya, sarta mindeng dilayanan kalayan sangu bodas atawa sangu goreng. Redang kantos dahareun anu pang ngeunah na di dunya versi CNN Indonesia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6685", "text": "Sateuacan aya blender urang Sunda tos biasa ngangge cowet kanggo masak sapopoe. Bahan cowet aya nu dijieun ti batu, taneuh liat, atanapi kai anu dibentuk rada legok tengah na ngarah bisa dipake ngagerus bumbu, cowet teu tiasa dipake lamun teu aya pasangan nana nyaeta mutu. Mutu oge gaduh bangun anu beda-beda, aya nu buleud , aya oge nu bentukna sapertos gagang telepon, aya nu kanggo cepengan na, aya nu keur ngarendosna. Cowet biasana dipake ngarendos sambel, numbuk bungbu, ngadamel karedok leunca jeung karedok kacang panjang. Cowet tiasa disebut teknologi anu nepi keun ayeuna masih kene dipake sanajan tos aya ganti na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3937", "text": "Waduk jatiluhur asalna lain tempat wisata, da waduk jatiluhur di bangun keur jadi pembangkit listrik keur pilau jawa nepi ka Bali. Tapi kadieuna waduk jatiluhur di fungsikeun oge jadi salah sahiji obyek wisata ala di purwakarta jawa barat. Di waduk jatiluhur urang bisa nikmatkeun ka endahan alam na bisa foto foto sabab na pemandangan na nu alus, bisa oge nikmatkeun pemandangan bari mancing nu hasil pancingan na bisa menta di pangmasakeun di jatilihur loba warung - warung anu nyadiakeun jasa masak hasil lauk pancingan salian ti eta warung awrung didinya ge nawaran jeung ngajual sangu liwet. Dahar sangu liwet bari ningalli pemadangan endah bisa jadi refreshing jeung bisa ngahilangkeun stress. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6641", "text": "Hoyong emam nasi koneng tapi teu tiasa ngadamelna lantara sesah jeung seeur bungbuna? Tenang, urang tiasa ngadamel sangu goreng koneng anu resepna langkung simpel ti sangu koneng biasa lantaran ngadamelna sami jeung sangu goreng biasa tapi ditambihan koneng. Carana tinggal siapkeun bawang bodas, bawang bereum jeung koneng teras diulek nepikeun halus. Bungbu halus tadi tinggal ditumis di minyak nepikeun seungit, campurkeun sangu asak teras digalokeun nepika warna na koneng. Tong hilap tambihan uyah jeung gula. Upami masak sangu goreng biasana seneu na kedah panas jeung kedah dibolak-balik supados bumbuna kacampur sadayana. Rasa sangu goreng ieu teu sami saratus persen jeung sangu koneng, rasana langkung lada ti sangu koneng biasa.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5086", "text": "Mun aya waktu luang, abdi sok beberes barang-barang nu teu kapake. Tah, ayeuna bade ngaberesan limari pakean. Di kamar abdi aya dua lomari pakean, nu hiji paranti pakean sapopoe, nu hji pakean dines atawa ulin. Sadayana ngangge lomari palastik, nu hiji tilu tahap, nu kadua dua tahap. Nu tilu tahap paranti pakean dines jeung ulin, oge pakean saragam kampus jeung organisasi. Mun nu dua tahap mah jang pakean sapopoe. Tah ayeuna rek dibongkar sadayana. Abdi rek misahkeun mana nu kapake, mana nu tos henteu. Nu teu kapake na bakal dikardusan, tuluy diberekeun ka nu leuwih butuh. Biasana bongkar nu kieu teh sok ti isuk nepi ka burit. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7456", "text": "Dina taun 1920-an, mesin cuci listrik anu masih dioperasikeun sacara manual mulai diical. Mesin ieu masih kedah dioyag-oyagkeun sacara manual pikeun ngaleungitkeun kokotor. Mesin cuci listrik otomatis kahiji karek muncul di taun 1937, mesin bentukna siga bak anu aya bukaan di hareupna. Dina waktos eta, mesin cuci tos mulai tiasa dipake nyeseuh, ngelabkeun sareng ngagaringkeun acuk. Dina 1990, hiji panimu ti Inggris, James Dyson, nyieun mesin cuci anu boga dua puteran anu muterna dua arah. Penemuan ieu efektif kanggo ngirangan waktos cuci janten leuwih gancang sareng masihan hasil anu langkung sae, matak teu heran lamun mesin cuci tos janten kabutuhan wajib dijaman ayeuna", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8263", "text": "Harti wirausaha nyaeta kagiatan usaha atawa usaha mandiri nu unggal sumberdaya jeung kagiatan ditanggung ku para palaku usaha atawa pangusaha, utamana dina hal nyieun produk anyar, nangtukeun cara ngahasilkeun nu anyar, oge ngatur operasi usaha jeung pamasaran produk. jeung ngokolakeun modal usaha. Pangusaha miboga tujuan pikeun ngahasilkeun hiji hal anu miboga ajen leuwih luhur batan samemeh diolah. Pangusaha oge ngagaduhan ciri sareng panginten henteu seueur anu terang ngeunaan eta. Ciri-ciri pangusaha ieu nyaeta, boga kawani pikeun nyandak kaputusan sareng nyandak resiko, boga kreativitas sareng inovasi anu luhur, tiasa mikir jangka panjang pikeun masa depan, mibanda sumanget kapamimpinan, boga gairah sareng kahayang anu kuat, bisa nganalisis persis, mibanda sipat hemat atawa henteu konsumtif, monitor usaha Anjeun Iraha waé sareng Dimana waé", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2342", "text": "Prosesi Ruwatan Saméméh upacara ruwatan dilaksanakeun, aya sababaraha syarat anu kudu dicumponan heula, nyaéta: Nasi kuning, hartina meunang rejeki anu kaleuleuwihi Nasi Golong, hartina meunang rejeki anu silih ganti jeung Tumpeng, hartina bersyukur kana kanikmatan anu geus dibere Nasi kabuli, hartina mun boga kahayang atawa kahayang bisa dikabulkeun Jenang Abang dijieunna tina ketan jeung dibere gula jeung kalapa bubur Sengkolo, hartina miceun atawa ngajauhkeun sial tina jajan pasar, hartina meunang rejeki anu loba jeung jauh tina masalah Rujak legi minangka lambang tafsir Tahap-tahap dina upacara ruwatan ieu di handap: Prosesi cipratan anu miboga ajén beberesih pikeun awak manusa ngagunakeun cai tina kembang Setaman, nyaéta kembang silang, kembang malati, jeung kembang mawar. Sesajen jeung kasalametan sangkan jalma anu keur diubaran pikeun ritualna salawasna dina kaayaan aman Panyerahan sarana, nya éta méré panyalindungan pikeun jalma anu kagolong kana sukerta (jalma anu sial atawa kudu beberesih) Upacara potong rambut, nya éta sagala anu kotor kudu dipotong sarta dibuang Tirakatan, nyaéta hiji ekspresi rasa sukur jeung sukur ka Gusti Nu Maha Suci pikeun nangtayungan Wayang anu mawa harti hirup.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2653", "text": "Mimiti, latihan ngalawan témbok, teras cobian \"ngabébaskeun\" kalayan pelindung dingding, kana waktosna anjeun leres-leres tiasa ngabebaskeun diri tanpa pitulung atanapi panyalindungan. Dina 34 poé (kapisah) kuring geus jadi leuwih mahér dina handstands. Éta sadayana ngeunaan téknik sareng nalukkeun kasieun anjeun. Squats. Éta ogé seueur variasi. Anjeun tiasa nganggo 100% beurat awak, anjeun tiasa nambihan dumbbells / bar, anjeun tiasa nganggo gerakan ngabeledug (luncat) pikeun langkung tangtangan (dijamin nyeri isukna, indikator anu saé yén otot anjeun adaptasi kana latihan beurat anjeun. masihan aranjeunna).\nIeu kuring ngalakukeun Pistol Squats, salah sahiji téknik Calisthenics anu paling hese pikeun squats. Éta hésé sareng peryogi sababaraha latihan pikeun ngawasaan. Bayangkeun, anjeun kedah angkat beurat awak anjeun ngan ukur 1 suku", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1988", "text": "Baheula pernah liburan ka Dieng bari aya kajidian gara-gara miskomunikasi jeung kaka misan. nyangka teh keur nungguan didinyan nateh, namung sanggeus nanya ka babaturanna di Tourist Information Center (TIC) cenah can balik deui ka pacilingan gigireun TIC. Sanggeus solat maghrib di TIC, sabab kitu kuring nuluy keun leumpang ti pertigaan Dieng ka Candi Bima anu jarakna kira-kira 2 kilométer ngaliwatan Telaga Warna sabab sanggeus magrib teu aya angkutan pikeun nepi ka dinya. Kuring bungah leumpang sorangan bari mawa ransel Alpina 20 liter ngandung rupa-rupa parabot kayaning kantong sare jeung misting (parafin atawa gas-dipecat parabot masak) sabab kuring rencanana saré di luar dinya. Bau walirang pacampur jeung suasana poék jeung tiis peuting sabudeureun Telaga Warna mangrupakeun kanikmatan husus nu teu kapanggih nalika kuring ngumbara ka dinya jeung kulawarga kuring dina taun saméméh jeung sanggeus. pedah mah ngumbara sorangan di talaga warna sigana kuring teh.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7650", "text": "Hal anu kedah dilakukeun supados urang teu rugi dina ngalakukeun bisnis nyaeta kdah displin dina ngatur artos. Artos anu urang meunang tina bisnis jeung artos anu urang meunang tina hasil kauntungan bisnis urang kedah dipisahkeun sareng modal anu urang kaluarkeun. Janten lamun urang meunang duit sabulan tilu ratus rebu, eta teh kedah dikurangan heula jeung modal anu urang kaluarkeun di awal, misalna modalna genep puluh rebu, berarti kauntungan beresih urang teh dua ratus opat puluh rebu. Komo lamun urang gaduh pagawe. Aya pagawe anu kedah dibayar oge, lamun geus dikurangan sadayana, eta tos janten kauntungan urang, bebas dipake naon wae. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4121", "text": "Ngeunaan jalma-jalma anu ngumbar auratna bakal salilana diperbudak ku Nafsu Nafsu.Ku alatan éta, di larang agama. Laranga eta aya di Al-Quran Surah Al-Ahzab ayat 59 Sabab ku cara ngumbar auratna, manehna bakal kapaksa ngalakukeun hal-hal anu teu kudu dilakonan samemehna, saperti: nyadiakeun panyalindungan tambahan pikeun kulitna tina sinar UV panonpoé, méré perawatan husus sangkan kulitna katingali bodas jeung sumringah. , Di handap ieu fashion gaya barat tina bulu ka handapeun suku nya.Sadaya ieu sagigireun ngarugikeun tina sudut pandang kauangan, ogé nyababkeun seueur bahaya sareng dosa.Ironisna kaayaan maranéhna karasa beurat jeung horéam pikeun jadi hamba Alloh sanajan Alloh Azza wa Jalla geus maparin kanikmatan anu kacida gedéna. Aranjeunna nganggap aranjeunna dihormat tapi aranjeunna hina. Tingali, kumaha aranjeunna disandingkeun sareng barang dagangan, atanapi salaku hiasan. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7426", "text": "Samsung teu pernah ereun ngaluarkeun inovasi hape anu tiasa ngajawab kabutuhan pamakena. Salah sahiji hape kaluaran Samsung anu kasihohor nyaeta Samsung Galaxy ZFlip. Benten sareng hape kaluaran merek anu sanes, hape ieu tiasa ditilep, janten bentukna nu awalna pasagi panjang, lamun ditilep jante pasagi anu janten leutik jeung leuwih ngeunah dibawa ka mamana lantaran teu ngabeakkeun tempat dina tas atawa di saku. Teu sakdik jalmi anu hawatos kana layar hape anu ditilep ieu, bisi gampan ruksak lantaran anu ngarana layar sentuh mah sensitip. Tapi sabenerna hape ieu tos ngalaman tes 20.000 kali dibuka jeung ditilep deui tapi tetep aman janten moal ngaruksak layar ieu. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8088", "text": "E-sport tos janten salah sahiji pagawean idaman barudak ngora jaman ayeuna, sapertos Edi. Edi teh resep pisan maen game online. Game karesepna nyaeta DOTA. Unggal poe Edi ka warnet pikeun maen ieu game kusabab diimahna teu aya komputer. Edi tos mineung dicarekan ku kolotna supados eren maen game di warnet. Nanging Edi teu ngadengekeun naon nu dicarioskeun ku kolotna, kusabab manehna percanten tiasa sukses liwat maen game. Edi teras fokus maen game karesepna nika keun aya hiji waktos Edi diajakan ku rerencanganna ngiluan lomba nu diayakeun ku salah sahiji warnet. Teu disangka-sangka aya manajer tim kakoncara nu nempo potensi Edi. Janten ayeuna Edi maen di tim E-sport tur tiasa ngahasilkeun artos liwat game karesepna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1941", "text": "alamatna gunung padang gampang pisan diaksés ku mobil jeung motor. Jalur anu kudu ditempuh lamun rék mangkat ti puseur dayeuh Bandung nyaéta ka Kabupatén Bandung. mimitina Arahkan kendaraan anjeun ka arah Soreang. Saparantos dugi ka Soreang, teras langsungkeun kendaraan ka wewengkon Ciwidey. Samemeh nepi ka hiji parapatan, engke bakal aya sasak Ciwidey, teu jauh ti eta sasak bakal aya simpang. Tunjukkeun kendaraan anjeun ka arah parapatan, teras angkat ka arah anu leres nuju Jalan Lebak Muncang. Saparantos dugi ka Jalan Lebak Muncang, teras angkat ka kampung Rawabogo. Hanjakalna, pikeun ka Gunung Padang Ciwidey, anjeun kedah leumpang sareng ngalakukeun trekking kirang langkung 3 km. Perjalanan moal dirasakeun nalika anjeun leumpang sareng kulawarga, babaturan, babaturan atanapi kekasih. Sagala kacapean bakal langsung terbayar ku pamandangan anu indah di puncak situs Gunung Padang Ciwidey", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "997", "text": "Kumaha cara gawe Artificial Inteligence? Sistem AI bisa beroperasi ku ngagabungkeun sababaraha data set gede. Data set ieu tuluy diolah ku algoritma tertentu jang manggihan hiji pola dina data. Tiap AI ngaproses data, sistem bakal nguji sakaligus ngukur performana sorangan. Ti pengukuran eta, tuluy sistem gawe jang saenggeusna ngamunculkeun hiji kamampuan anyar. Teu siga tanaga jelema, AI teu ngabutuhkeun leleson. Hasilna AI bisa migawe loba tugas sakaligus dina waktu anu singkat. Dina waktu nu barengan oge, AI bakal diajar jang ngaronjatkeun pangabisana. Ku kituna, AI bisa migawe tugas naon wae ge nu diajarkeun ka maranehna. AI teu ngan saukur ngandelkeun sistem komputer, tapi sabalikna AI dirojong ku sistem jeung komponen nu kompleks pisan ngameh bisa migawean. Tujuan akhirna nyaeta jang nyiptakeun hiji sistem nu bisa niron naon nu dipilampah ku manusa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5385", "text": "Salah sahiji ajaran agama nu paling diinget ku abdi nyaeta siling tulung dina kasusahan. Jadi, mun aya dulur urang ngalaman kasusah, ku urang kedah dibantuan, maka urang ge bakal kenging balesanna nu hade jeung oge pahala nu ngalimpah. Pernah abdi nulungan babaturan sakola nu teu gaduh acis kangge meser buku bahkan jeung meser tuangeun ge teu kantos. Ku abdi ditulungan sabisa abdi, saderhana tapi insyaallah ngabantosan pisan. Abdi yakin mun nulungan babaturan teh bisa nyieun manehna seneng. Abdi ngalakukeunna ikhlas, teu ngaharepkeu dibales atawa kumaha. Alhamdulillah basa abdi kenging kasulit dina ngerjakeun tugas oge sok aya we babaturan nu mantosan, jeung deuih sok aya we nu emuteun masihan barang ka abdi. Alhamdulillah karaos pisan, mun urusan urang hoyong dipermudah, urang ge kedah mempermudah urusan batur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6627", "text": "Dahar di tempat nu keur kasohor di sosial media tos janten kabiasaan budak ngora, lolobana budak ngora teh bakal ngarasa tinggaleun laum can nyobaan tempat dahar anu anyar jeung janten piomongeun di mana-mana. Biasana barudak ngora datang raramean ka tempat anu kasohor teras mesen dahareun kanggo dipoto teras diaplod dina sosial media. Padahal biasana tempat anu rame teing teh can tangtu dahareun na ngeunah atawa hargana cocok di kantong urang, tapi pedah ku gengsi ngarah teu dianggap tinggaleun urang tetep maksakeun datang ka dinya. Pangalaman abdi dahar di tempat anu viral biasana dahareunna teu pati ngeunah, abdi pernah nyobian datang ka Ngikan gaduhna Rachel Vennya sabab ceuk batur ngeunah jeung murah, tapi pas abdi pesen jeung dahar langsung di tempatna nu aya di Antapani abdi rada kirang puas lantaran rasana biasa wae.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "596", "text": "Aya sababaraha cara ngameh bisa ngamumule kadaharan tradisional. Carana nyaeta, nu kahiji kudu dahar kadaharan khas daerah sewang-sewangan. Nu kadua diajar nyieun kadaharan tradisional, jadi bisa diturunkeun ka generasi kahareupna. Nu katilu mun aya festival kuliner kadaharan tradisional usahakeun miluan. Nu kaopat bisa ngembangkeun kadaharan tradisional disaluyukeun jeung perkembangan zaman ngarah beuki loba nu minat. Tuluy bisa ngawanohkeun oge kadaharan tradisional sorangan ka batur nu ti daerah sejen, leuwih alus deui ka dunya internasional. Jeung nu penting teu nganggap kadaharan tradisional teh leuwih handap daripada kadaharan luar negeri. Mun bisa ngajualan mah bisa coba diekspor kadaharan tradisional teh ka luar negeri.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "465", "text": "Dumasar kana situs Kementrian Agama, Alquran teh mibogaan 30 Juz, 114 surat, jeung leuwih ti 6200 ayat (tapi aya rupa-rupa mazhab nu mibogaan pendapat anu beda-beda). Surat nu aya di jero Alquran mibogaan ngaran jeung jumlah ayat nu beda-beda. Alquran dimimitian ku surat Al-Fatihah jeung ditutup ku surat An-Nas. Sacara umum, Alquran dibagi jadi 30 bagian anu dikenal ku ngaran juz. Pembagian juz ngababarikeun nu hayang mereskeun maca Alquran dina waktu 30 per. Oge aya pembagian sejen nu disebut manzil, nu ngabagi Alquran jadi 7 bagian. Tuluy surat nu aya dina Alquran jumlah ayatna beda-beda, surat nu pangpendekna ngan 3 ayat nyaeta surat Al-Kautsar, surat An-Nasr, jeung surat Al-Asr. Lamun nu panjang nepikeun ka 268 ayat nyaeta surat Al-Baqarah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2384", "text": "Salah sahiji pakarang tradisional Jawa Barat anu masih aya kiwari nya éta Kujang. Saprak jaman Karajaan Pajajaran dipingpin ku Prabu Siliwangi, Karajaan Sunda Hindu ngalaman krisis alatan datangna pangaruh Islam anu dibawa ku padagang Arab. Iklan Ku kituna, Prabu Siliwangi nulis naskah kuno minangka pituduh pikeun urang Sunda anu ngaranna Sanghyang Siksa Kandang Karesian dina taun 1518 Masehi anu eusina rupa-rupa norma, moral, budaya, adat istiadat, nepi ka pakarang tradisional Jawa Barat nya éta Kujang. Senjata tradisional Jawa Barat ieu sering dijadikeun motif batik kana lambang anu ngagambarkeun kasundaan. Ngadugikeun Kamentrian Pendidikan dan Kebudayaan, kecap \"kujang\" asalna tina basa Sunda Kuna, nya éta \"Kudi\" anu hartina pakarang jeung kakuatan gaib atawa jimat jeung \"hyang\" anu hartina dewa.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6683", "text": "Gorengan tos janten bagian ti keseharian arurang. Seeur pisan menu masakan anu proses masakna digoreng make minyak, tos teu kaetang sabaraha seeurna minyak nu dikosumsi sapopoe, kadang-kadang urang oge ngangge minyak anu tos dipake ngagoreng leuwih ti lima kali atawa disebut oge minyak jalantah. Padahal minyak jalantah teh teu sehat lantaran ngandung seeur lemak teu jenuh anu tiasa nimbulkeun panyawat. Minyak jalantah tiasa katingali tina warna jeung bau na. Tapi di jaman ayeuna tos aya alat nu mulai tiasa ngagantosan minyak kanggo ngagoreng, nyaeta air fryer, alat ieu tiasa dianggo ngagoreng kurupuk, hayam, naget, kentang, sosis tanpa make minyak, janten tiasa jadi pilihan anu leuwih sehat. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5106", "text": "Salah sahiji hobi abdi nyaeta arung jeram. Arung jeram mangrupakeun salah sahiji olahraga cai anu make parahu karet. Arung jeram biasana dilaksanakeun di wahangan nu aya jeraman, ngangge parahu karet. Alat-alat nu sok dianggena aya dayung, pelampung, helm, jeung parahu karet. Parahu karetna kapasitas genep urang, dijieunna tina bahan PVC. Pami daungna tina bahan karbon, warnana hideung. Ujung dayungna aya T grip paranti ngeupel, jeung blade paranti nyibakeun caina. Mun palampungna mah dipake dina awak urang, termasuk helm oge. Helmna wajib dicetrekeun jeung wajib diukur sapaseun mastaka. Ngarung wahanganna biasana dugi ka satengah jam, jarak na dalapan kilometer. Saparahu teh eusina genep jalma.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7163", "text": "Basa jalan-jalan ka Bali seeur pisan rerencangan anu nitip oleh-oleh. Abdi cicing di Bali ngan tilu poe, poe kahiji jeung kadua aya kagiatan, poe katilu abdi dipasihan waktos bebas. Abdi sareng rombongan langsung datang ka tempat anu jualan oleh-oleh. Seeur pisan, mulai ti anu mirah nepikeun anu awis oge aya. Pas datang ka hiji toko abdi ningal aya kueh pie susu Bali anu kasohor pisan, teras abdi oge meser gantungan konci jeung sababaraha kaos anu aya tulisan \"I Love Bali\". Kanggo kuring sorangan, abdi ngahaja datang ka joger meser sababaraha kaos anu sarae jeung lalucu lantaran seeur tulisan anu unik dina kaos na.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8085", "text": "Seueur jalma anu resep ningali pertandingan olahraga kusabab sababaraha alesan anu nyababkeun aranjeunna ngalakukeunana. Pertandingan olahraga teh nawiskeun hiburan anu pikaresepeun sareng pikaresepeun pikeun seueur jalma. Eta bisa ngarasakeun tegangan, pikagumbiraeun jeung pikagumbiraeun bari ningali tim favorit maranehanana atawa pamaen maen. Seueur jalma oge gaduh tim atanapi pamuter karesep anu aranjeunna dukung, janten ningali pertandingan olahraga teh mangrupikeun hal anu penting pikeun aranjeunna. Minat kana olahraga sareng dukungan pikeun tim atanapi pamuter khusus sering oge janten bagian tina identitas sosial hiji jalma. Nonton kaulinan olah raga tiasa ngabantosan jalma ngarasa nyambung ka komunitas sareng rerencangan anu gaduh minat anu sami.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8276", "text": "Poe mimiti gawe teh kadang dipinuhan ku sababaraha momen kagok atawa momen teu kaduga nu ngajadikeun anjeun ngarasa kagok. Aya sababaraha hal anu tiasa dilakukeun nalika anjeun mimiti damel. Kahiji, leuwih hade datang awal teuing ti telat. Anjeun tiasa nganggo waktos ngantosan ieu kanggo sarapan, niiskeun, atanapi nengetan detil kantor enggal anjeun. Kadua, sateuacan lebet dina dinten kahiji, tanyakeun ka pangguna perusahaan atanapi HRD anjeun ngeunaan kode acuk anu berlaku. Katilu, cobi ngapalkeun saloba-lobana sareng akurat-gancang nami rekan kerja anjeun, khususna anu anjeun bakal damel langsung. Mulai pikeun milarian ditel pagawean nu bakal anjeun ngalakukeun. Janten proaktif, ku naroskeun ditel pagawean ka rekan anjeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4481", "text": "Pull up mangrupikeun bentuk latihan kakuatan anu ditujukeun pikeun ngajaga sareng ningkatkeun massa otot. Latihan ieu baari di lakukeun dimanan wae mangpaat pikeun ngawangun awak, utamana otot leungeun jeung awak luhur. Anjeun ngan saukur tiasa ngalakukeun ieu ku ngagantungkeun awak anjeun kana médium anu cukup kuat, contona bar tarik atanapi bar tunggal anu dirarancang khusus pikeun ngalakukeun gerakan ieu tuluy make leungeun anjeun, awak diangkat sareng diturunkeun sababaraha kali sacara tuluy tuluyan. Olahraga pull up ngajadikeun awak urang leuwih saimbang jeung bisa negakeun postur awak urang kusabab latiihan anu di lakukeun naek turun ngarangsang otot urang jadi bisa lurus jeung tegak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3866", "text": "Peuyeum nyaeta salah sahiji dahareun khas ti daerah pasundan, peuyem teh sering jadi oleh oleh mun balik liburan ti subang purwakartajeung daerah sekitarna. Minggu kamari urang jeung keluarga ti bekasi liburan babarengan ka cianter subang, urang rame rame renang cai haneut didinya, di ciater aya salah sahuji warung nu ngajual mie ayam rasa na enak pisan , mie na kenyal, daging hayam na garede, porsi na loba jeung harga na teh murah urang jarajan mie ayam didinya saengges renang. Pas rek balik urang mampir heula ka toko oleh oleh nu teu jauh ti dinya. Dulur ti bekasi mareuli oleh oleh pikeun babaturan nya nyaeta meuli peuyeum. Peuyeum dahareun tina sampeu nu di fermentasi, rasana ceuk urang mah teu pati ngeunah rada bau jeug rasa na hasem. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "481", "text": "Muludan oge jadi salah sahiji upacara kaagamaan, biasana diayakeunna di bulan mulud. Acarana biasana ngaji jeung ngadangukeun ceramah dipanggung. Anu ceramahna biasana sok ngondang ustad atawa habib anu geus kasohor. Diayakeunna sok peuting saberes Isya. Lamun muludan teh geus pasti loba pisan tukang dagang nu ngadagangkeun jualan. Saking pinuhna sok jadi macet komo di kampung mah jalananna leutik. Lamun geus beres acara muludan, urang sok dibagi sangu kobuli anu dina nampan, biasana hiji nampan teh jang 5 urangeun. Eusina aya sangu kobuli jeung daging hayam dua tapi ukuranna gede. Jadi urang kudu siap-siap neangan babaturan limaan tuluy diukna nguliling, ngameh babari dibagikeunna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "840", "text": "Eskul mangrupakeun program tambahan ti sakola. Di sakola tangtuna mibogaan loba jenis eskul, siga olahraga, kasenian, musik, jeung sajabana. Biasana nu rame diserbu ku barudak lalaki mah eskul olahraga, eskul olahraga oge loba cabangna, siga futsal. basket, badminton, jeung loba deui. Tah nu paling loba anggotana nyaeta futsal. Saking lobana kadang pas eskul sok dibagi sababaraha tim, lantaran futsal mah maenna ngan genepan sa-timna, ari anggotana loba pisan. Eskul futsal sok diayakeun poe Sabtu, saberes balik sakola sok ditandingkeun di lapangan futsal, ngahaja nyewa sajam nepikeun ka dua jaman. Mun diakhir semester sok ditandingkeun jeung tim eskul futsal sakolaan sejen. Atawa sok diayakeun oge kajuaraan antar sakolaan sa kecamatan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3857", "text": "Opor Hayam mangrupa dahareun khas nu wajib aya di indonesia lamun keur lebaran idul fitri. Rasa opor hayam nu enak jeung berlemak emang cocok di dahar keur hari raya komo di dahar bareng jeung kupat.Opor hayam oge cocok jeung tambah nikmat nu di dahar di campurkeun jeung sambal goreng ati. Cara ngajieun opor hayam nyaeta siap keun bahan bahan na heula saperti hayam jeung bunbu bungbu na nyaeta bawang bereum, bawang bodas, lada, koneng, laja, salam sereh, koneng jeung santen. opor hayam bisa oge di campur ku bahan bahan lain saperti endog, tempe atawa tahu. mimiti campur sagala bungbu tumis nepi ka seungit terus aspkeu hayam jeung bahan lain tempe, tahu sajabana aduk aduk sakeudeung terus asupkeun santen aduk aduk terus nepi ka asak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7457", "text": "Mesin cuci mangrupakeun alat kanggo ngaberesihan acuk, matak penting oge kanggo urang pikeun ngaberesihan mesin cuci lantran kokotor tina baju anu diseuseuh dina mesin cuci teh teu langsung leungit tina cai hungkul, tapi aya oge anu napel dina panyaring anu aya dina mesin cuci. Cara ngaberesihan mesin cuci tangtos beda-beda gumantung kana mesin anu urang pake. Aya mesin cuci anu ngan gaduh hiji tabung, aya oge anu gaduh dua tabung, dua-duana gaduh cara ngaberesihan anu benten. Cara ngaberesihan mesin cuci saenyana mah geus aya patunjukna dina buku manual anu dipasihan pas mimiti meuli. Lantaran unggal mesin dijieun ti bahan anu beda-beda, urang kedah ningal aturan ngaberesihanna supados teu ngarusak mesin. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2275", "text": "Puji sinareng syukur hayu urang panjatkeun ka Allah subhanahu wa ta'ala kana sagala rupi karunia-Na, sahingga urang tiasa riung mungpulung ngalaksanakeun kawajiban dina dinten anu barokah ieu. Tangtosna khatib baris wasiat ka jamaah khususna ka khatib pribadi, hayu urang sami-sami ngajaga kualitas taqwa urang bari usahakeun laun-laun ningkatkeun. Sabab ku taqwa, Alloh bakal maparin jalan kalancaran dina satiap masalah kahirupan anu urang alami. Baca Oge: Khutbah Taun Anyar: Ngaronjatkeun Orientasi Kahirupan Sholat Jum’at Berjamaah anu dirahmati Allah subhanahu wa ta’ala. Dina ahir taun 2022, hayu urang introspeksi naha urang parantos ngalangkungan taun ieu kalayan kahadéan, ningkat taqwa sareng amal soleh. Naha taun ieu hubungan urang jeung jalma di sabudeureun urang leuwih harmonis atawa sabalikna. Kitu deui hubungan urang jeung Alloh subhanahu wa ta'ala. Dina taun ieu, sabaraha sabaraha harta urang dijalankeun di jalan Alloh? Atanapi urang ngan ukur larut dina sarakah sareng hawa nafsu pikeun ngudag dunya tanpa keun", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3898", "text": "Jadi pagawe di restoran atawa pelayan di restoran komo di restoran mewah di hotel bintang lima eta cape pisan. Ternyata palayan teh tugas na teu ngan ngateurkeun masakan atawa dahareun ka meja nu meli tapi oge babantu di dapur, aya nu bagean mantuan gegeroh bebersih kurut dahareun, aya nu mantuan masak, aya nu bagean nata masakan sangkan alus keur ngagugah selera, aya nu nulis pesenan nu langsung interaksi komunkasi ka nu meuli aya oge bagien kasir. Eta kabeh teh masih asup kana pagewan pelayan. Palayan asup di gawe ti ngamimitian restoran buka nepi ka restoran ges tutup palayan na can bisa balik masih kudu aya laporan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4659", "text": "Nyatana, jalma kahiji anu kasohor nyiptakeun istilah metaverse nyaéta Neal Stephenson. Anjeunna nyebatkeun istilah éta dina novél taun 1992 anu judulna Snow Crash. Istilah metaverse ngarujuk kana dunya maya 3D anu dicicingan ku avatar jalma nyata.Istilah ieu teu gaduh definisi anu ditarima sacara universal. Anggap waé metaverse nyaéta internét anu didamel dina 3D. Zuckerberg ngajelaskeun metaverse salaku lingkungan virtual anu anjeun tiasa lebet, sanés ngan ukur ningali layar. Pondokna, éta dunya komunitas maya sajajalan anu interconnected. Dimana, jalma-jalma tiasa damel, pendak, maén nganggo headset kanyataanana virtual, kacamata kanyataanana augmented, aplikasi smartphone sareng atanapi alat anu sanés. Katerangan saderhana Facebook ngeunaan metaverse nyaéta sakumpulan rohangan virtual, dimana saurang tiasa nyiptakeun sareng ngajalajah sareng pangguna internét sanés anu henteu aya dina rohangan fisik anu sami sareng jalma éta.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3046", "text": "Vérsi kuring hirup digawé di kantor: Kuring pernah hated Mondays dugi kuring indit ka dianggo di kantor. Bosen, pariksa dina jam 9 ninggalkeun jam 5 salila 6 poé. Monoton. Awak aya di imah tapi pikiran aya di kantor, utamana lamun anjeun boga pagawean tacan beres tapi geus diudag. Leuwih ti éta, kantor tempat kuring digawé teu bisa dibawa ka imah. Asa hayang lumpat sagancangna ka kantor, ujug-ujug dipikiran. PAKEUN KOYO SATIAP HARI!! Anu sanés terang kumaha saéna, damel di handapeun AC henteu panas tina panonpoé. Enya, tapi pikiran geus lemes jeung gawe di hareup komputer pikeun jam ngajadikeun beuheung tense. Poé libur langsung dipapag ku gunung gawé. Stress rawan. Sadayana terang. Pikiran rek ngundurkeun diri sok tapi tahan wkwkwk", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1584", "text": "Boga babaturan nu tulus teh salah sahiji anugerah. Maranehna teu ngan saukur datang pas urang keur bungah, tapi jadi nu sok ngadengekeun atawa pasang ceuli mun urang keur dina kaayaan susah. Mun hayang meunangkeun babaturan nu tulus, urang oge nu kudu instrospeksi kana katulusan urang sorangan. Soalna teu menutup kemungkinan mun salila ieu urang nuntut boga babaturan anu tulus, padahal diri sorangan oge kurang tulus. Meunangkeun babaturan nu tulus teh butuh proses nu panjang, soalna nyaho babaturan eta tulus henteuna pas geus ngaliwatan masa-masa suka duka babarengan. Intina, mun hayang meunangkeun babaturan nu tulus, di mimitian ti diri sorangan nu kudu tulus ka babaturan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4484", "text": "Aérobik asalna tina kecap 'aero' anu hartina oksigén, ku kituna latihan aérobik ieu bisa dihartikeun minangka latihan anu ngagunakeun oksigén. Aérobik asalna tina kecap 'aero' anu hartina oksigén, ku kituna latihan aérobik ieu bisa dihartikeun minangka latihan anu ngagunakeun oksigén. Aérobik asalna tina kecap 'aero' anu hartina oksigén, ku kituna latihan aérobik ieu bisa dihartikeun minangka latihan anu ngagunakeun oksigén. Latihan aérobik nyaéta gerakan anu digabungkeun sareng irama musik anu dipilih kalayan durasi anu tangtu anu tujuanana pikeun ningkatkeun efisiensi asupan oksigén kana jaringan awak. Aérobik mangrupikeun olahraga anu dipikaresep ku seueur jalma. Senam aérobik ngabogaan loba mangpaat, diantarana bisa ngaronjatkeun tanaga awak, nguatkeun otot dina awak, ngaronjatkeun kekebalan, leungit beurat, ngaronjatkeun kalenturan awak, nyegah panyakit, daya tahan jeung daya tahan jantung.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2774", "text": "Smart TV nyaéta televisi anu henteu ngan ukur tiasa dianggo pikeun lalajo TV sapertos biasa, tapi seueur deui anu tiasa dilakukeun dina hal hiburan tina nonton. Ogé katelah TV Internet, TV Smart nyaéta TV naon waé anu tiasa nyayogikeun program tambahan ngalangkungan konektipitas internét. Smart TV téh kawas ngabogaan komputer diwangun kana TV. Jenis TV ieu ngagaduhan sababaraha fitur utama anu ngabédakeunana tina sét TV biasa. Ngutip halaman TCL resmi, Smart TV gaduh kamampuan pikeun nyambung ka internét sareng gaduh sababaraha aplikasi anu diwangun sapertos Netflix, YouTube atanapi Facebook tos dipasang. Tapi, kalolobaan sistem operasi Smart TV henteu tiasa ditingkatkeun. Janten ieu hartosna nalika aplikasi atanapi jasa énggal sayogi, anjeun panginten kedah mésér TV énggal kanggo ngapdet kabutuhan aplikasi.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "167", "text": "Mun bosen liburan jeung keluarga teh ngojay wae, kudu nyobaan camping di alam. Salian ti neangan suasana anyar, oge kekeluargaan jadi leuwih raket. Tapi kudu loba persiapan terutama alat camping nu kudu dibawa saacan berangkat. Nu kahiji Tenda, tenda mah geus pasti wajib aya sabab dipake jang sare atawa ngajaga tina hawa tiris, lamun teu boga tenda ayeuna geus loba penyewaan alat camping. Nu kadua, alat-alat masak siga kompor portabel, panci, gasna oge kudu mawa. Ieu kapake pisan jang nyieun masakan, soalna camping pasti jauh di tempat-tempat nu jualan. Ulah poho oge mawa peralatan jang daharna, siga sendok, piring, gelas anu bahanna plastik. Nu katilu, mawa obat-obatan komo deui nu boga panyakit bisina karugrag.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "435", "text": "Aya tukang kai nu parigel jeung sabab geus kolot jadi siap rek pensiun. Tuluy mere nyaho bosna, tapi bosna teh kaduhung ninggali pagawena nu sae pensiun, jeung nanya bisa henteu ngawangun hiji imah deui tapi ieu mah bantuan pribadi. Tukang kai eta sapuk, tapi kudu jangji ieu pagawean manehna nu terakhir. Sabab hayang geura-geura pensiun, tukang kai ieu teu terlalu merhatikeun, manehna teu fokus. Manehna gawena butut jeung ngan ngagunakeun bahan-bahan nu kualtisna rendah. Saenggeus pagaweanna beres, tukang kai nelepon bosna jeung nunjukkeun hasil imahna. Si bosna eta merekeun sababaraha kertas jeung konci panto ka tukang kai sabari ngomong ieu imah maneh, hadiah ti urang jang maneh. Tukang kai langsung reuwas, lamun apal ieu imah jang manehanana pasti bakal nyieun imah nu paling alus. Carita ieu sarua halna siga urang umat manusa lamun hayang ngawangun imah alus di sawarga, kudu taat kana parentah Allah SWT jeung ngajauhan tina sagala laranganna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4625", "text": "Kamera dina era digital ieu ngabantuan hampir tina gsagala aspek kahirupan, contohna tina aspek ekonomo dina era digital ieu urang bisa ngajieun bisnis online tina nternet teu kudu muka toko atawa bangunan asllina, urang bisa ngajual sagalana bisa ngajieun produk dagangan atawa ngajual jasa. Batur bisa ningali nepi ka akhirna meuli dagangeun urang tina modal foto anu ku urang tingalikeun hasil tina kamera boh kamera profesional atawa kamera handphone biasa. Kamajuan kamera anu makin kadeiu makin canggih bisa pisan nambah mangfaat kana pagaweana nu ayeuna loba di pigawe, matakkk boga kamera alus ayeuna bisa di sebut investasi kusabab nilai guna na anu gede pisan ayeuna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2691", "text": "anjeun penggemar maén bal? Hayang lalajo tim paporit tapi make parabola, acarana sok acak-acakan (layar kosong hideung). Hoyong ngalirkeun data tapi alamat situsna sok katinggaleun? Sumuhun, abdi sorangan penggemar sepak bola (tim favorit Manchester United), sanajan Liga Premier disiarkeun dina TV lokal (mnctv, rcti) tapi teu full match komo lamun make televisi jeung anteneu UHF, lamun make. piring satelit lajeng program ieu acak, jadi kuring mindeng hirup ngalirkeun data dina ponsel Android sarta dina laptop. Henteu ngan ukur Liga Premier anu disiarkeun dina situs anu kuring bakal bagikeun. Ampir kabéh bal kasohor disiarkeun. Contona SERIE-A Italia, La Liga Spanyol, Bundesliga Jerman jeung sajabana, malah Liga 1 Indonésia aya.\nKumaha Live Stream dina Android\nPikeun live streaming dina Android, kuring biasana nganggo aplikasi BeiN Sport HD. Mangga undeur aplikasi dina handphone anjeun. Kuring nyarankeun aplikasi ieu leuwih ti aplikasi sejenna. Biasana anti lag (ieu ogé gumantung kana kecepatan internét anjeun huh. Atanapi upami anjeun henteu hoyong unduh aplikasi sareng hoyong hirup streaming dina panyungsi anjeun, anjeun tiasa nganjang ka Yalla-Shoot. Situs biasana nyiarkeun maén bal, tapi nganggo basa Arab. Situs ogé ramah sareng ponsel Android anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7132", "text": "Sakumaha ngaranna, Rumah Limas mangrupakeun imah tradisional ti Sumatra Selatan anu bentukna piramida dijieun ku gaya imah panggung. Wangunan has daerah Palembang ieu diwangun ku sababaraha tingkat anu disebut ku masarakat Bengkalis anu gaduh harti sorangan. Legana Rumah Limas antara 400 nepi ka 1000 meter pasagi, sarta mindeng dianggo ku nu boga imah pikeun dijadikeun tempat kawinan jeung acara adat. Ampir sakabeh bagian Rumah Limas dijieunna tina kai. Pamilihan kai teh lain tanpa alesan, tapi nurutkeun karakter kai jeung kapercayaan masarakat di Sumatera Selatan. Unikna, jenis kai anu dipake nyaeta kai anu unggul sarta ngan tumuwuh di daerah anu ibukotana Palembang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6486", "text": "Di kawasan perumahan mah nyaris teu aya interaksi antartatangga. Biasana bentuk imahna teh per blok jeung per jalan. Bangunan imahna teh silih ngadempet pisan, adek tembokna teh. Buruanna oge sok saeutik ewang. Tapi sakitu imah padempet adek tembok oge jarang aya interaksi antartatangga sabab cenderung masing-masing dina sagala hal teh. Dina aya acara kakulawargaan di wilayahna oge ngan hiji dua jalmi anu terlibat jeung bisa diandelkeun dina raramean nana. Jadi kahirupan di perumahan mah sepi, teu silih interaksi, jarang aya nu kemurun di buruan imahna oge. Malahan mah kadang jiga kota mati anu teu aya penghunina. Hampir kabeh masyarakat nganggap hal ieu teh jadi hal nu lumrah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5361", "text": "Dina ngalaksanakeun khotbah, aya rukun khotbah nu kedah dipenuhi. Nu kahiji nyaeta maca kalimat pujian ka Gusti Allah SWT. Khotbah teh dimula ku ngucap hamdalah jeung kalimat pujian ka Allah SWT. Nu kadua nyaeta maca shoawat Nabi. Hal ieu teh jadi perkara wajib dina pelaksanaan khotbah. Tujuanna nyaeta ngadoakeun baginda Nabi Muhammad SAW. Nu katilu nyaeta maca doa wasiat jang taqwa ka Allah SWT. Maca doa wasiat eusina parentah, ajakan, jeung anjuran supaya taqwa atawa sieun ka Gusti Allah SWT. Nu kaopat nyaeta maca ayat suci Al-Qur'an. Khotib diwajibkeun maca saheuteuna hiji atawa dua ayat suci Al-Qur'an. Nu kalima nyaeta ngadoakeun umat Islam. Rukun terakhir pelaksanaa khotbah nyaeta ngadoakeun sakabeh umat Islam dina khotbah nu kadua.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4467", "text": "Sapédah jadi lahraga karesep ti keur leutik, sepedahan oge tiasa mantuan anjeun cageur tina panyawat anu serius sapertos stroke, serangan jantung, sababaraha jinis kanker, depresi, diabetes, obesitas sareng rematik. Naek sapedah mangrupikeun kagiatan anu séhat, sareng éta mangrupikeun jinis latihan sedeng pikeun sagala umur. Kanyataanna, Ngabuburit gampang pas kana rutinitas sapopoé. Anjeun tiasa nyetir ka toko, taman, sakola, sareng kantor. Bersepeda mangrupikeun jinis latihan aérobik dampak rendah anu nawiskeun seueur mangpaat kaséhatan. Inténsitas anu béda-béda cocog pikeun sagala tingkat umur. Anjeun tiasa ngurilingan salaku moda transportasi, pikeun kagiatan luang, atanapi salaku usaha kompetitif anu sengit. Sapedah mangrupikeun olahraga anu saé anu tiasa ngabantosan anjeun tetep aktip. Nyatana, bersepeda tiasa ngabantosan ngawangun gaya hirup anu séhat, boh fisik sareng mental.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3881", "text": "Kecap jamu asalna tina basa Jawa kuno, nyaéta jampi atawa usodo. Jampi atawa usodo hartina nyageurkeun ngagunakeun jamu atawa doa. Jamu mangrupakeun warisan anu berharga pisan. Inuman ieu ngagaduhan peran anu penting dina ngajaga kaséhatan sareng kabugaran masarakat Nusantara salami ratusan taun. Jamu ogé bisa disebut jamu asli Indonésia anu di jieun ngagunakeun bahan-bahan alami pikeun ngajaga kaséhatan sarta ogé ngubaran panyakit. Bahan-bahan anu digunakeun lumayan gampang dipanggihan di lingkungan saperti daun, akar, batang, buah, kembang sareng kulit. Jamu di indonesia biasanya di jual make cara di gandong. Jamu sorangan miboga sababaraha rupa, ti mimiti kapsul, tablet, sachet, nepi ka nu tradisional saperti jamu. Tina rupa-rupa jenis ieu, jamu tradisional atawa leuwih katelah jamu masih kénéh populer di kalangan masarakat ti sagala rupa kalangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7405", "text": "Parkour mangrupikeun olahraga anu bakal nantang kawani lantaran dina olahraga ieu, jalmi anu ngalakukeun parkour kudu lumpat, luncat, atawa ayun-ayun di antara gedong jeung tihang jangkung. Sarupa jeung Spiderman. Bedana teh, spiderman ngagunakeun ramat lancah, sedengkeun parkour ngan ngagunakeun leungeun kosong. Parkour intina nyaeta pindah ti hiji tempat ka tempat anu sejen. Prinsip parkour nyaeta pikeun ngaliwatan halangan kalayan gerakan panggancangna. Gerakan parkour diantarana lumpat, luncat, ngayun, ngagantung, sareng manjat. Gerakan dina parkour sanes ngan ukur gerakan, tapi oge gaduh nilai kaendahan. Parkour mangpaat pikeun pertahanan diri urang dina kaayaan teu kaduga. Salaku conto, nalika anjeun ujug-ujug diserang ku jalma jahat, gerakan parkour tiasa dianggo pikeun kabur.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8874", "text": "Kumaha ngagunakeun mesin cuci hiji-tabung, nyaéta, saméméhna anjeun kudu misahkeun baju kotor dumasar kana warna baju, noda, jeung bahan baju. Kadua, pastikeun kabel colokan mesin cuci dicolokkeun. Katilu, nempatkeun baju kotor anjeun kana tabung cuci ngaliwatan liang luhureun mesin cuci, pastikeun baju kotor anjeun nempatkeun téh nurutkeun kapasitas tabung. Sanggeus kabéh baju kotor diasupkeun ka jero, lebetkeun deterjen secukupnya sarta pewangi baju tuluy tutup luhureun mesin cuci. Kaopat, eusian cai kana tabung mesin cuci ku cara muka keran cai anu disambungkeun kana selang. Kalima, atur setélan mesin cuci sapertos laju puteran sareng sabaraha panjang puteran mesin cuci. Kagenep, saatos anjeun nyetél éta, pencét tombol Start atanapi hurungkeun saklar pangatur waktu cuci. Ngadagoan pencuci rengse ngalakukeun tugas na. Saatos mesin cuci parantos nyeuseuh, anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta neraskeun prosés pengeringan, nyetél laju sareng timer pengeringan. Sanggeus baju geus garing tur beresih, tinggal dijemur baju garingna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5745", "text": "Salila saminggu cicing di imah bibina, Reni unggal poe ngalaksanakeun olahraga jogging. Tapi joggingna teu kaluar ti imah, dilakukeun na make treadmil. Ieu alat teh ngabantu pisan kana aktivitas olahraga Reni. Biasana sok hoream olahraga sabab hoream amprok batur da bisi ditanya, tah saprak aya alat ieu mah jadi bisa olahraga tanpa kudu amprok jeung batur. Unggal poe mun hudang sare teh Reni sok tuluy ngalaksanakeun olahraga dina treadmil. Mun isuk-isuk teu kaburu, Reni sok ngalakukeunna mun peuting balik gawe. Unggal poe teh kudu pisan olahraga sabab supaya bisa nunjang kondisi fisikna nu dipake digawe unggal poe. Reni unggal poe ge sok nyieun target olahraga sapopoena.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9490", "text": "Anyar-anyar ieu, kuring mutuskeun pikeun ngeusian waktos luang ku ngarakit Gundam. Kuring geus lila resep pisan lalajo anime Gundam, ku sabab kitu, ahirna mutuskeun meser salah sahiji model kit Gundam, buatan Bandai warna bodas. Ngarakit Gundam nyieun hare kuring ngarasa senang, sabab kuring bisa ngarakit bagian-bagian Gundam ku leungeun sorangan tur ningali hasil ahir anu muaskeun pisan. Kuring oge ngarasa kamotivasi pikeun terus diajar sareng ningkatkeun kaahlian karajinan tangan kuring. Unggal waktos abdi ngarakit Gundam, abdi ngarasa asup ka dunya nu pinuh ku kreativitas sarta imajinasi. Ngarakit Gundam mangrupikeun hobi anu pikaresepeun sareng bisa ngeusian waktos luang kuring leuwih bermanfaat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2758", "text": "Abdi moal ngagaleuh laptop énggal anu gaduh spésifikasi laptop anu nganggo prosesor sahandapeun inti i5. Kusabab komponén laptop anu dipasangkeun sareng prosesor di handap i5 moal stabil upami dianggo lami kanggo panggunaan beurat. Sareng salaku pangguna laptop pikeun panggunaan beurat, kuring bakal nyobian ngahindarkeun laptop kalayan prosesor anu ditungtungan ku U. Kusabab desain prosesor ankhiran U mah museurkeun kana pamakean daya anu kawilang rendah sahingga umur batre rélatif stabil sareng desainna kawilang ipis. tapi umumna kinerja disunat, sarta processor ngarojong komponén impressed biruang. Nanging, aya sababaraha séri U anu kinerjana tiasa luncat sacara dramatis nalika dianggo pikeun panggunaan beurat. Tapi kusabab desain anu kawilang ipis anu umumna ngaleungitkeun kipas atanapi ngirangan ukuran komponén cooling, laptop ieu rawan panas teuing sareng condong henteu tahan lami upami dianggo dina kaayaan suhu kamar atanapi bahkan di kamar suhu luhur.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2302", "text": "Dina maca Al-Qur’an, ngutamakeun wirahma atawa nada, ku kituna perlu aya perbaikan, évaluasi, jeung pangajaran anu hadé pikeun ngahémat bacaan Al-Qur’an, di dieu aya opat rupa tingkatan dina maca Al-Qur’an, nyaéta: tahqiq. , tartir , tadwir, jeung hadr.\r\na. Tahqiq\r\nTingkat kahiji maca Al-Qur’an nyaéta tahqiq, nyaéta maca Al-Qur’an sacara laun atawa laun. Maca Al-Qur'an kalawan tempo siga kieu biasana digunakeun ku nu keur diajar maca Al-Qur'an.\r\nb. Tartil\r\nTahap kadua maca Al-Qur’an nyaeta tartil, nyaeta maca Al-Qur’an sacara lalaunan jeung tenang. Maca Al-Qur'an ku cara tartil mangrupikeun hal anu kedah dilakukeun ku unggal muslim. maca Qur'an lalaunan atawa teu puguh, sarta tenang.\r\nc. Tadwir\r\nTahap katilu maca Al-Qur’an nyaeta tadwir, nyaeta maca Al-Qur’an dina laju anu sedeng, dina harti teu puguh atawa gancang teuing. Sabab dina tataran ieu, nalika Qori minuhan hurup mad, teu kaeusi.\r\nd. Hadr\r\nTingkat kaopat maca Al-Qur'an nyaeta hadr, nyaeta maca Al-Qur'an dina tempo anu gancang ku cara memendekkeun bacaan mad atawa ngurangan ghunnah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7040", "text": "Carita Qobil jeung Habil mangrupakeun carita rajapati anu mimiti pisan kajadian di alam dunya. Qobil jeung Habil mangrupakeun putrana Nabi Adam A.S jeung Siti Hawa. Di jaman kiwari maranehna bakal dinikahkeun jeung dulur lian ti kembaranna. Tapi Qobil teu daek dinikahkeun jeung Layudha. Manehna hoyongna nikah jeung Iqlima, kembaranna sorangan. Tungtungna mah marentahkeun ka maranehna pikeun qurban ka Alloh, saha nu ditarima qurbanna bakal dipasihan kaadilan ti Gusti Alloh. Qobil masihan qurban tutumbuhan anu kirang sae. Habil masihan qurban sasatoan ternak anu pang sae na. Qurban Habil reu ditarima, janten manehna teu tiasa nikah sareng Iqlima, tungtungna manehna maehan Qobil.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7049", "text": "Dina sasih Ramadhan anu pinuh ku barokah sareng ampunan, aya hiji kagiatan anu biasana dilaksanakeun ku satiap umat Islam, nyaeta Tadarus Al-Qur'an. Kecap tadarus asalna tina kecap darasa (دَرَسَ) nu hartina diajar. Teras ditambihan ku hurup ta (ت) di awal kecap anu ngarobah kaayaan diajar babarengan. Dumasar kana asal kecapna, tadarus dilaksanakeun ku dua urang atawa leuwih. Hartina aya nu ngadengekeun jeung aya nu maca kalawan tujuan diajar atawa ngajaga hafalan ku cara ngulang-ngulang bacaan Al-Qur’an. Ku maca jeung neuleuman Al-Qur'an, Insya Allah urang bakal meunang hidayah sangkan bisa hirup dina jalan anu bener. Al Qur'an tiasa janten saksi di payuneun Allah nalika urang hirup di dunya sering maca Al-Qur'an.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8137", "text": "Dina tanggal 25 Januari 2004 robot penjelajash NASA ahirna mendarat di planet mars. Robot ieu dingaranan Opportunity. Dingaranan kos kitu kusabab robot ieu boga misi neangan cai di planet mars. Cai teh salah sahiji sumber kahirupan janten harapanna kapanggihna cai tiasa janten kasempetan manusa hirup di planet mars. Total opportunity atos aya di permukaan planet mars salila 18 taun. Robot ieu masih keneh terus neangan cai di mars. Salian neangan cai robot ieu oge gaduh misi nu sejen sapertos motoan permukaan planet mars, nyokot sampel taneuh, batu, jeung sajabana pikeun dikirim ka bumi. Sampel nu dikirim ka bumi ieu teras diteliti pikeun memahami planet mars leuwih sae deui.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1919", "text": "Babaturan sadayana, naha anjeun resep tuang sayuran héjo? Nya kantenan henteu. Tapi, ti ayeuna urang kudu ati-ati dina milihana.Sanajan éta héjo sarta caang, sabenerna sayur cageur téh salah sahiji anu bébas tina péstisida. Naon péstisida? Taya lian iwal ti racun hama tutuwuhan. Upami aya hama dina sayuran, seueur patani menyemprot péstisida pikeun ngusir éta. Urang kudu ati-ati sabab péstisida henteu hadé pikeun kaséhatan manusa. Péstisida sacara teu langsung bisa ngabalukarkeun karacunan boh manusa boh sato. Utamana racun ieu bisa asup ngaliwatan sungut, kulit, atawa sistem engapan. Sareng, bahayana, upami péstisida dianggo dina dosis anu luhur dina taneuh, gizi taneuh bakal turun sahingga lingkungan tatanén bakal kacemar ku waktosna. Janten, nalika milih sareng hoyong masak sayuran, urang kedah ngumbah heula sacara saksama.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "51", "text": "Salian cemilan nu lada, urang oge resep cemilan nu amis-amis. Komo lamun keur kaayaan badmood, biasana urang sok ngahaja meuli ka minimarket, mindengna mah coklat. si coklat teh sok beak satengahna, satengahna deui dibikeun ka lanceuk urang. Eta oge pernah meuli coklat kiloan ti babaturan, meuli nu ukuran sakilo, beres di dahar sok di kana freezerkeun da sieun cair. Tapi lila kalilaan mah rasana kurang ngeunah, aya rasa-rasa sejen teuing pedah pacampur dina kulkas jeung bahan masakan, atawa memang kuduna buru-buru didahar tong dililakeun. Tapi rasa awal-awal mah hampir mirip jeung rasa nu aslina, nu dijual di minimarket. Ngan pedah ieu mah versi ukuran gedena, jeung mun diitung-itung mah kaitung hemat mun langsung nu kiloan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8789", "text": "Salah sahiji olahraga nu pangdipikaresep jaman keur budak teh nyaeta jogging. Harita kuring karek nincak kelas 4 sakola dasar. Biasa ngalakukeun jogging teh Dina poe Minggu. Kacaritakeun dina malem Minggu, Kuring jeung babaturan ngaji jangjian rek jogging bareng. Ngahaja beres ngaji teh teu mulang ka imah sewang-sewangan, tapi ngadon mondok di tempat ngaji. Pas wanci subuh, sarengse ngalaksanakeun solat subuh berjamaah, Kuring jeung babaturan nu jumlah na opat urang langsung ngalaksanakeun joging. Di tengah jalan, kuring jeung babaturan mimiti ngarasa cape, nu tadina lumpat tarik, mimiti ngalaunan. Tepi ka tempat anu ditangtukeun pikeun tujuan ahir, kuring jeung babaturan kacida ngarasa capena. Pikeun ngareureuhkeun kacape sabada jogging, kuring sok jarajan surabi Jeung bajigur. Sok sanajan cape, kuring teu aya kabosen mun diajakan deui jogging ku babaturan teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3613", "text": "Sanggeus leuwih ti 50 taun, astronot mawa sampel panungtungan batu lunar ka Bumi, élmuwan geus tungtungna hasil tumuwuh tatangkalan ngagunakeun taneuh ti bulan pikeun kahiji kalina. Mimiti dina perjalanan astronot Apollo, aranjeunna nyandak conto bahan permukaan bulan anu katelah \"regolith\". Lima puluh taun ti harita, dina mimiti era Artemis sareng astronot anu balik deui ka Bulan, tilu conto éta parantos dianggo pikeun melak pepelakan kalayan suksés. Pikeun kahiji kalina, panalungtik geus tumuwuh hardy, well-diulik Arabidopsis thaliana dina regolith lunar gizi-miskin. Dilaporkeun ku situs wéb NASA, 12 Mei 2022, panilitian anu dibiayaan ku NASA dilaksanakeun ku ilmuwan ti Universitas Florida. Aranjeunna ngadamel terobosan ku ngalengkepan percobaan di laboratorium Apollo. \"Penelitian ieu penting pikeun tujuan éksplorasi manusa jangka panjang NASA sabab urang kedah nganggo sumber daya anu aya di Bulan sareng Mars pikeun ngembangkeun sumber pangan pikeun astronot masa depan anu hirup sareng beroperasi di luar angkasa.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5048", "text": "Sari Ater cottage jadi salah sahiji penginapan nu ayana di lingkungan wisata ciater. Penginanpan na mangrupa cottage nu tema na tradisional. Dindingna dilapisan bilik, tuluy jerona saroangan ngagebray nu eusina TV, korsi, jeung kasur. Suasana na tiiseun, syahdu, jeung tengtrem. Tapi, kesan tradisional mewah nu ditunjukeun ku ieu cottage teu sabanding jeing fasilitasna. Kabeneran kamar nu harita disewa mah TV na teu hurung, kondisi kamar na kurang beresih jeung pakarangan hareup nu bala ku dangdaunan. Lebar pisan rarasaan mah mun kamewahan nana kudu kakurangan ku fasilitasna. Mun tina segi pamandangan mah tong diragukeun deui, da gok langsung kana spot cai panas Ciater. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5759", "text": "Salah sahiji olahraga nu jadi paporit pelajar di sakola SMA teh nyaeta bela diri. Di sababaraha sakola aya ekskul bela diri nu rutin ngalaksanakeun latihan, misalna karate, silat, taekwondo, jeung sajabana. Biasana anggota ekskul beladiri teh sok jadi idaman para siswa nu lainna, sabab rata-rata boga jangkung jeung poatur awak nu alus lenjang. Teu saeutik oge anggota ekskul bela diri teh mangrupakeun atlet nu biasa ngalaksanakeun pertandingan, mantak geus boga bekel dasar bela diri. Tah bela diri oge sajenis teh sok aya sababaraha perguruan, jadi sok aya perbedaan budaya oge. Tapi leupas ti eta, ekskul bela diri teh loba diminati siswa sabab elmuna nu berguna jang ngajaga awak sorangan tina sagala bahaya.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "16", "text": "Dusun Bambu salah sahiji restoran nu enakeun di Bandung, aya na di Lembang. Mimitina kudu naek heula golf cart jang ka tempat restoranna, tapi tenang wae da haratis, tempatna sepadan pisan ku pamandangan nu endahna. Restoranna siga lain keur di Bandung, tapi siga keur di Bali ningali suasana na mah. Lamun kadieu kuring nyarankeun make baju haneut soalna lumayan tiris. Jujur pemandanganna sekitar restoranna alus pisan, alat makan na oge geus di sterilkeun ku pagawe na. Harga dahareunna ti 90 rebu nepi 150 rebuan. Tapi harga sakitu mah sepadan lah ku rasana oge pemandanganna sawah-sawah nu masih harejo. Ulah poho sindang pokona mah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8063", "text": "Dinten Rebo tanggal 11 Januari kamari, dilaksanakeun laga antara Persib Bandung ngalawan Persija Jakarta. Pertandingan meuni sengit pisan kusabab di babak hiji can aya tim nu ngagolkeun hiji-hiji acan. Nika asup ka babak kadua Persija Jakarta mulai ngalancarkeun serangan-serangan ka gawang Persib Bandung nanging can aya nu tiasa ngabobol gawang Persib bandung nu dijagi ku Teja Paku Alam kiper asal Sumatra Barat. Di ahir babak kadua, penonton makin tegang kusabab skor sementara 0-0 keneh. Wasit mere keputusan nambihan waktu permainan opat menit. Nanging dimenit ka 90+2 aya saeutik cekcok antara wasit sareng striker Persib Bandung nyaeta Ciro Alvarez nu teu tarima manehna dibere kartu koneng. Nanging ahirna skor berubah jadi 1-0 saatos Ciro alvarez ngabobol ka gawang Persija Jakarta.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1173", "text": "Lamun dina ngajalankeun bisnis ngalaman permasalahan khususna karugian, tangtuna aya faktor-faktor nu nyebabkeun hal eta kajadian. Ku sabab kitu, urang kudu ngalakukeun evaluasi ka kabeh hal nu aya pakuat-kaitna jeung bisnis urang siga misalna ngaevaluasi sistem bisnis, jeung produk atawa jasa nu urang tawarkeun di perusahaan. Hal eta tujuanna ngameh urang apal penyebab nu nimbulkeun karugian. Mun urang geus apal penyebabna bakal jadi babari jang ngomeanana. Bisa oge ngalakukeun tinjauan ka sumber daya manusia (SDM) nu aya di jero perusahaan urang, gawe sacara optimal teu? lamun henteu kudu dilakukeun tindakan. Ku kituna urang bisa ngalakukeun jeung ngomean sistem bisnis jeung neangan informasi kasalahan dina sistem bisnis nu nyebabkeun meunang karugian.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1554", "text": "Nyiapkeun dana darurat penting pisan bisi aya kajadian nu teu diduga-duga siga kaleungitan pagawean, gering nu bisa ngakibatkeun biaya kasehatan nu gede, atawa bencana alam nu ngaruksak imah. Mun euweuh dana darurat, urang bakal kapaksa nginjeum ngaliwatan kartu kredit jang mengatasi situasi darurat kawas kitu. Hal ieu bisa ngakibatkeun urang jadi loba hutang. Nyiapkeun dana darurat oge bisa mantuan urang ngahontal tujuan piduiteun urang jangka panjang siga meuli imah atawa rencana pensiun. Ku mibogaan dana darurat urang bisa mastikeun mun kabutuhan dasar geus terpenuhi pas nyanghareupas situasi darurat. Nyiapkeun dana darurat penting jang ngalindungi duit urang tina kajadian nu teu diduga-duga. Ku sabab kitu alusna urang ngamimitian nyiapkeun dana darurat jang mastikeun mun urang teh geus siap nyanghareupan situasi kumaha wae ge.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2317", "text": "Oh enya, sakola kuring oge biasa ngayakeun ibadah atawa misa dina momen-momen nu tangtu, saperti ngabageakeun taun ajaran anyar, Paskah, Natal, jrrd. Lajeng naon anu kudu dipigawé lamun aya massa? Sumuhun, hadir dina Misa. Abdi oge bingah nyanyina, sabab laguna oge sae. Sataun sakali, biasana sakola ogé ngayakeun acara-acara saperti undur-undur. Pikeun anu henteu terang, mundur mangrupikeun kagiatan sapertos nyorangan atanapi istirahat sababaraha dinten tina rutinitas sapopoé. Oh enya, sagala sarana komunikasi, hiburan (tv, radio), jeung barang-barang sejenna anu teu aya hubunganana jeung undur-undur (misalna buku pangajaran) oge dilarang salila ieu undur. Sabalikna, waktos urang bakal langkung dieusian ku kagiatan sapertos muhasabah kahirupan, kaulinan, sareng kagiatan spiritual. Puncak acara nyaeta hiji kajadian anu ngajadikeun urang ngarasa yen urang teh jelema nu pang loba dosana sadunya nepika urang ceurik pait kaduhung (mun teu salah mah ngaran keren ESQ).Kanggo hulu korek api anu digesek saeutik. , langsung hurung, tong hariwang, ieu mah lain kristenisasi anu nyamar. Sadaya murid, boh Kristen boh non-Kristen, nalika ngadaptar asup sakola geus sapuk jeung nandatanganan hiji perjangjian nu salah sahiji eusina nyaeta aranjeunna bakal ilubiung dina sagala kagiatan spiritual ku cara Katolik/Kristen tanpa paksaan jeung sukarela.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5780", "text": "Tilu olahraga ekstrem nu geus jadi wisata alam bebas di Indonesia. Kahiji nyaeta arung jeram atawa rafting. Lobana potensi wisata air di wahangan nu berjeram, ngajadikeun arung jeram salah sahiji olahraga jeung wahana wisata nu ngalami perkembangan dugi ka ayeuna. Nu kadua nyaeta olahraga selam atawa scuba diving. Biasana wisata selam teh sok diayakeun di spot biota lautna nu menarik. Spot diving atawa selam terkenal di Indonesia nyaeta Pulau Seribu, Tulamben, Wakatobi, Karimun Jawa, jeung sajabana. Nu katilu nyaeta wisata paralayang. Lokasi wisata paralayang teh biasana di tempat dataran tinggi jiga Ciater, Puncak Bogor, Bukit Timbis, jeung sajabana. Eta tilu hal nu jadi wahana wisata ekstrem nu loba digemari ku masyarakat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1604", "text": "Ngalakukeun kagiatan nu ngabungahkeun bisa salah sahiji cara nu efektif jang ngaleungitkeun stres. Kagiatan nu ngabungahkeun bisa mantuan urang ngaleupaskeun rasa tegang nu aya dina awak jeung pikiran, jadina mantuan ngurangan stres jeung ningkatkeun kasejahteraan urang. Kagiatan nu ngabungahkeun bisa rupa-rupa gumantung kana minat jeung kahayang urang sorangan. Sababaraha conto kagiatan nu ngabungahkeun nyaeta maca buku, nongton film atawa acara televisi, ngadengekeun musik, maen game, kumpul jeung babaturan, ngalakukeun hobi siga ngajait, masak, atawa ngebon, jeung masih loba deui. Ngalakukeun kagiatan nu ngabungahkeun bisa mantuan ningkatkeun mood tina masalah jeung tekenan nu keur urang sanghareupan. Salian eta, kagiatan nu ngabungahkeun oge bisa mantuan ningkatkeun rasa percaya diri jeung kapuasan hirup urang sorangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7621", "text": "Saurang jalmi anu ngalakukeun usaha biasana gaduh sababaraha sifat. Di antarana nyeta salalu mikir positif, mikir positif teh penting pisan kanggo saha wae anu bade ngamimitian usaha, sabab ieu bakal ngabantos urang sangkan tiasa nyieun kaputusan anu sae dina bisnis jeung leuwih kuat dina nyanghareupan beban anu bakal muncul dina mimiti urang nyieun usaha. Pangusaha oge kedah boga sifat kawani. Wani didieu nyaeta wani nyieun kaputusan jeung nyanghareupan sadaya resiko dina bisnis. Manehna oge kedah wani lantaran janten jalmi anu kedah tanggung jawab dina sagala hal anu kajadian dina pausahaan. Kabayang lamun urang bade nyieun usaha tapi teu yakin jeung sieunan, pasti eta bisnis moal jalan. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "6660", "text": "Susu dianggep bisa ngaluarkeun racun-racun jeung panyawat dina awak. Susu aya ni asalna ti sasatoan sapertos domba, sapi jeung kuda, aya oge nu asalna ti tutumbhuhan sapertos susu kedele. Upami bade ngasaan susu kedele, urang tiasa ngadamel nyalira di bumi. Proses ngadamel susu kedele lumayan panjang. Keeum heula kedele dina cai panas sapeuting. Kedele anu tos dikeeum sapeuting bakal ngaluarkeun kulit luarna, kulit ieu tiasa dipiiceun. Blender kedele anu tos beresih nepikeun ka halus pisan, lamun masih leneh kasar urang tiasa ngabelender deui, pokona kedah nepikeun halus. Kedele anu tos cair tiasa digodog di seneu anu leutik sabari dicampur pandang jeung daun jeruk. Lamun tos tiis, susu kedele tiasa disaring make baju atawa kaen anu beresih supados tiasa dileeut langsung.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "828", "text": "Cristiano Ronaldo salah sahiji pamaen sepak bola terhebat ayeuna. Salian ti hebat dina ngolah bola, manehna oge tajir sakaligus jadi pamaen nu paling berpengaruh di dunia. Tapi nu paling salut mah manehna teh rutin ngalakukeun kagiatan amal. Eta salah sahiji alesan naha Ronaldo loba dipikacinta ku para penggemarna. Bahkan pas tsunami Aceh wae ge manehna datang jang panggih jeung Martunis, salah sahiji budak anu salamet dina kajadian tsunami eta. Jeung masih loba deui kebaikan-kebaikan Ronaldo anu pastina teu diliput ku media. Jadi sanajan dina olahragana punjul, manehna oge teu poho kana kagiatan kamanusiaan. Ieu nu ngabedakeun Ronaldo jeung nu sejen, geus paket lengkap.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7124", "text": "Salah sahiji jenis imah adat Sunda nyaeta Capit Gunting. dingaranan Capit Gunting sabab wangun hateupna sarua jeung hurup X atawa gunting. Hateupna ogéerada luhur kalayan bahan dasar pikeun nyieun wangunan nyaeta daun anu garing, hal ieu ditujukeun sangkan hawa di jero imah salawasna janten tiis. Imah adat Capit Guntingsorangan geus aya salila ratusan taun sarta mangrupakeun salah sahiji nu pangkolotna sarta leuwih hese dipanggihan batan imah adat Sunda lianna.Capit Gunting Imah Adat Sunda seeurna tiasa dipanggihan di Tasikmalaya. Dina budaya Sunda hateup imah disebutna susuhunan. Imah cakar gunting dirancang ku awi salaku bahan utama, sareng hateup imah ieu nganggo daun garing pikeun nyegah panas sareng hujan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5113", "text": "Masak jadi salah sahiji hobi nu teu pernah dipikabosen ku sadaya kalangan. Masak bisa jadi ajang eksperimen kaahlian urang. Zaman ayeuna mah gampil, mun teu apal resep teh tinggal ningali we na Google, ke ge aya sababaraha resep masak nu babari jang diturutan. Tina segi bahan oge seueur nu kemasan ayeuna mah, jadi gampil bade masak nanaon teh. Masak oge jadi kagiatan sahari-hari, jadi secara teu langsung unggal jelema mah pasti bisa masak. Masak oge bisa ngahemat pangaluaran jang meuli rencang sangu. Tah, daipada boros meulian rencang sangu mending masak nyalira! Rasa jeung lobana ge bisa diatur kumaha urang nyalira.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "937", "text": "Aya dua cara jang meunangkeun siaran TV digital. Nu kahiji ku ngagunakeun TV digital. Nu kadua, mun teu boga TV digital, kudu make perangkat tambahan dekoder atawa STB (Set Top Box). Ku sabab kitu TV nu narima siaran analog kudu masang heula STB. Aya carana ngubah TV analog ka TV digital ku ngagunakeun STB. Nu kahiji siapkeun STB jeung TV analog. Nu kadua pastikeun TV analog dina kaayaan pareum. Nu katilu cabut kabel anteneu nu geus dipasang di TV analog. Nu kaopat sambungkeun kabel HDMI dina STB ka TV analog. Geus kitu mah tinggal hurungkeun STB jeung TV analogna. Tuluy asup ka menu pengaturan pilih mode tampilan AV. Lamun daftar saluran siaran digital geus muncul, tinggal pilih opsi simpen. Beres weh tinggal nongton.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9476", "text": "Nyiapkeun agenda liburan anu pikaresepeun penting supados liburan janten teras kaémut sareng henteu bosen. Aya sababaraha lengkah anu tiasa dilakukeun pikeun nyiapkeun agenda liburan anu pikaresepeun, kahiji nangtukeun tujuan liburan sareng tujuan anu bade didatangan. Pilih tujuan anu cocok sareng kahoyong sareng anggaran anjeun. Oge pastikeun pikeun nengetan faktor kaamanan jeung kanyamanan tempat. Jieun rancana perjalanan lengkep sareng agenda. Nyiapkeun sagala kaperluan anu diperlukeun salila liburan, kayaning tiket pesawat, panginepan, transportasi, jeung jadwal wisata. Jieun oge daptar kabutuhan pribadi sapertos pakean, ubar, sareng kaperluan anu sanesna. Salajengna, nyiapkeun anggaran anu cukup pikeun kabutuhan salami liburan. Itung sacara rinci biaya anu bakal ditanggung, sapertos tiket kapal terbang, panginepan, tuangeun, transportasi, sareng biaya perjalanan. Pastikeun anggaran ngawengku sakabéh kaperluan diperlukeun salila libur. Salajengna nyiapkeun mental jeung fisik pikeun liburan. Nyiapkeun diri kalayan cukup ku sare sareng olah raga ringan supados awak siap pikeun kagiatan anu bakal dilaksanakeun salami liburan. Ku nyiapkeun agenda lebaran kalawan taliti, liburan anu bakal dilaksanakeun bakal leuwih nikmat jeung ngajauhan hal-hal anu teu dihoyongkeun. Tong hilap tetep santun tur ngamumule budaya daerah supados lebaran langkung nyugemakeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "510", "text": "Masarakat Sunda mindeng ngamumule elmu ti karuhun ku gaya hirup tradisional dina hiji kaharmonisan jeung alam, hal ieu anu tuluy diterapkeun oge dina metode ngawangun imah, ku cara ngagunakeun bahan-bahan lokal tina batu, awi, bahan hateupna nu didominasi ku dangdaunan, sarta daun-daun palem. Imah-imah tradisional Sunda oge sabagian gede sok nyokot bentuk dasar tina struktur hateup palana atawa nu disebut oge ku hateup gaya kampung nu dijieun tina bahan-bahan dangdaunan nu nutupan balok, tembok anyaman awi, kerangka awi jeung struktur nu diwangun di luhur panggung pondok. Variasi hateupna oge dijieun mangrupa hateup palana nu miring. Hateup palanana dijieun miring jeung leuwih hese anu dikenal ku ngaran julang ngapak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4964", "text": "Aya salah sahiji camilan nu jadi karesep abdi pisan. Camilan ieu asal na di Tasik, ngaran na camilan Onong. Unggal poe abdi sok nyetok ieu camilan. Camilan andalan na nyaeta nu lada-lada jiga seblak garing, makaroni lada, jeung sajabana. Nu sok dipeser ku abdi mah nyaeta seblak garing nu dibaluran make sambel hejo. Abdi sok meserna dina shopee, da ambeh teu riweuh kudu kaditu-kadieu. Tah si seblak garing na teh bisaan, ai warna na mah bodas, di sisian na aya bumbu sambel hejo, tapi rasana duh kacida ladana. Mantak seger mun keur jangar mah. Pokokna kapake pisan ku abdi mah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7658", "text": "Jualan di internet tos aya ti sababaraha taun ka tukang. Mimitina mah jalmi teh icalan dina internet, tepatna di Kaskus. barang anu diical dina Kaskus biasana barang anu asalan ti luar negeri sapertos hape iPhone anu baheula pangaosna awis keneh di Indonesia atawa barang-barang ti Jepang sapertos action figure jeung sajabana. Saatos di Kaskus seeur oge jalmi anu mulai jualan dina Facebook. Ku cara ieu seeur jalmi anu tiasa masarkeun daganganna supados tiasa ngahontal konsumen anu leuwih seeur ti biasana. Jualan di Facebook teh gratis, urang teu kedah nyewa imah atawa tempat kanggo masarkeun barang-barang urang. Hal ieu oge tiasa dilakukeun di imah. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2787", "text": "Naon rekomendasi kaméra anu bakal ngamimitian ngajalajah dunya fotografi kalayan harga anu berpatutan? Kusabab teu aya hargana, kuring milih kaméra sahandapeun 10 juta rupiah. Kaméra ieu ngagaduhan awak sareng lénsa anu tiasa dicabut atanapi lénsa anu tiasa ditukeurkeun, janten cocog pikeun anu hoyong ngamimitian hobi fotografi. Upami kaahlian anjeun parantos ningkat, anjeun tiasa mésér lénsa tambahan. Éta langkung saé pikeun investasi dina lensa tibatan awak kaméra nalika hobi mimiti dilaksanakeun sacara serius. Dina pamanggih kuring, jawaban téh kaméra sagala. Enya. Sakur merek sareng jinis naon waé. Anu saluyu sareng anggaran anu anjeun gaduh. Nu penting, éta bisa dina modeu manual, sarta anjeun bisa ngarobah lénsa. Tapi lamun patarosan ieu narrowed handap, contona, suku cadang kaméra nu loba dijual sarta gampang pikeun manggihan? Atanapi kaméra naon anu seueur lénsa sareng murah? Atawa naon mirah (atawa rada, deal pangalusna) kaméra bisa ngalakukeun 4k video tanpa cropping? Janten, dina pamanggih kuring, patarosan sapertos kitu ngan ukur tiasa dijawab langkung khusus pikeun merek sareng jinis kaméra anu tangtu.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2425", "text": "Kadaharan Minahasa kasohor ku tingkat pedasna anu luar biasa. Tapi ogé kudu diaku yén rata-rata masakan khas Minahasa téh ngeunah pisan, jauh leuwih nikmat batan masakan Indonésia Wétan séjénna. Abdi henteu tiasa nolak upami seueur tuangeun Minahasa didorong payuneun kuring, kuring bakal tuang hiji-hiji sareng bakal naroskeun tuangeun kuring. Sabenerna mangrupa pangalaman anu luar biasa pikeun ngarasakeun masakan Minahasa, ngeunah jeung lada anu taya bandinganana, sarta méré warna sorangan kana karagaman kuliner khas Indonésia. Kanggo anu teu acan kantos ngaraosan kuliner khas Minahasa, mangga geura cobian, margi upami anjeun parantos nyobian, kuring ngajamin anjeun bakal kacanduan tanpa tiasa ngeureunkeuna na.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "412", "text": "Hanan Attaki, ustadz nu digandrungi budak ngora sabab penampilanna anu gaul jeung ngagunakeun sosial media jang media dakwahna. Gaya dakwah Ustadz Hanan Attaki beda jeung penceramah nu sejenna. Sabab pas keur ngalakukeun dakwah Hanan Attaki penampilanna gaul siga budak ngora. Sok mindeng make kupluk, kacamata, tuluy pake calana bahan. Sorana ge merdu jeung lembut jadina mibogaan sora nu khas. Pas maca Alquran jeung jadi imah sholat sora nu dikaluarkeun merdu pisan, hal ieu nu nyieun batur nu ngadengekeunna ngarasa tenang. Ustadz Hanan Attaki oge boga hobi anu menarik, nyaeta Touring. Teu ngan eta hungkul, hobina oge kekinian pisan siga budak ngora nyaeta maen skateboard.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8858", "text": "Laptop indung kuring teh laptop jadul kaluaran baheula, bahkan sateuacan kuring lahir. Laptop Mamah mah jauh béda jeung laptop jaman kiwari. Laptop anjeunna langkung ageung sareng langkung kandel tibatan laptop biasa, janten upami anjeun angkat, éta rada sesah sabab beurat pisan mawana. Dina laptop anjeunna teu aya alat kaméra siga ayeuna, janten urang teu tiasa nganggo laptop Mamah pikeun ngalaksanakeun kagiatan rapat online. Sababaraha aplikasi standar ogé béda ti nu ayeuna, seueur fitur anu leungit, janten henteu cocok pikeun dianggo di jaman ayeuna. Dina léptop indung kuring, ayeuna ngan aya kumpulan poto jeung gambar arurang barudakna, kitu deui sababaraha dokumén milik indung kuring baheula, nu ku indung kuring diteundeun pikeun jadi kenangan kanggo engke tua.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7190", "text": "Legong nyaeta grup tari klasik Bali anu gaduh gerakan anu cukup kompleks sarta dihijikeun kana struktur iringan ketuk anu disebut efek gambuh. Kecap \"Legong\" asalna tina kecap \"suku\" anu hartina gerak tari anu luwes jeung leuleus, sarta \"gong\" anu hartina gamelan. Jadi, kecap “legong” dina hal ieu hartina gerak-gerak tari anu dibeungkeut ku gamelan anu janten iringan na. Gamelan anu dipake pikeun ngahariring Tari Legong disebut Gamelan Semar Pagulingan. Tari Legong ieu tumuwuh di karaton di Bali dina abad ka-19. Ceunah mah gagasan Tari Legong ieu dimimitian ku saurang pangeran ti Sukawati anu masih gering parah sarta ngalamun ningali dua budak awewe anu anggun nari diiringan ku gamelan anu endah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2266", "text": "Hiji poé aya nu ngajual kurupuk nu kawatesanan fisikna. Nu ngajual kurupuk panonna buta. Sanajan kitu, manéhna tetep nyoba hirup kawas jalma normal lianna ku ngajual kurupuk. Sanggeus sawatara lila aya saurang nonoman rék meuli kurupuk ti nu ngajual tadi. Pamuda éta teras naroskeun upami anjeunna henteu mayar tapi naroskeun ka tukang dagang buta pikeun ngarobih. Lajeng anjeunna nanya kumaha nu ngajual kurupuk ngabales kaayaan buta na. Sakedapan nu ngajual kurupuk ngawaler, “Anaking, Gusti parantos ngatur rezeki, abdi ngan saukur usaha. Lamun memang rejeki eta mah moal ditukeurkeun. Sabalikna,” ceuk nu ngajual kurupuk kaayaan buta. Geuwat ngadéngé jawaban nu ngajual kurupuk tadi, haté si pamuda langsung ngageter. Manéhna tuluy méré duit deui ka nu ngajual kurupuk. Si jajaka percaya yén Allah geus mantenkeun rezeki nu ngajual ngaliwatan pananganana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5078", "text": "Wisata alam Curug Masigit jadi salah sahiji wisata nu ramah kulawarga. Pasalna, di tempat ieu teh cai curug na teu ageung teuing jeung deuih teu pati luhur. Handapeun curugna cai ngeyembeng ngabentuk kolam guyang jang barudak. Jerona ngan ukur sadada orang dewasa, mun ka sisi na mah mingkin deet. Jadi, lain buda gede wae, budak leutik ge bisa guyang didieu. Didieu oge aa tempat rada luas nu cocok jang botram kulawraga mah. Tinggal ngapar samak, bisa bari botram jeung istirahat bari ngawas barudak nu guyang. Tiket asupna murah, ngan sapuluh rebu per orang. Akses jalanna oge kajangka ku mobil, teu kudu tracking heula gok manggih curug. Jadi, ieu wisata bisa jadi bahan rekomendasi jang liburan kulawarga.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1592", "text": "Penting jang urang miluan pelatihan pertolongan pertama jeung nyiapkeun perlengkapan pertolongan pertama siga plester, antiseptik, jeung sajabana. Tuluy mun urang mibogaan alat komunikasi siga radio portabel atawa telepon genggam oge bisa berguna jang ngahubungi kulawarga atawa petugas penanganan bencana pas kajadian bencana. Geus kitu urang nyiapkeun pakean jeung sapatu nu nyaman oge nu tahan cai jang kaperluan evakuasi. Ieu oge salah sahiji nu paling penting nyaeta nyieun salinan dokumen siga kartu identitas, paspor, akte kelahiran, jeung nyimpenna di tempat anu aman. Urang oge bisa nyieun daftar nomor telepon anu penting, kaasup nomor kulawarga, babaturan, atawa pihak anu bisa mantuan urang dina situasi darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5473", "text": "Mun ngadangu kata Cianjur, pasti we nu terlintas dina pikiran teh nyaeta tauco. Tauco jadi salah sahiji bahan masakan nu khas pisan ti Cianjur. Salia asinan na nu terkenal jang dijadikeun oleh-oleh, tauco oge cocok pisan jang dijadikeun oleh-oleh kulawarga. Tauco nyaeta kadaharan fermentasi kacang jeung bumbu lainna, warna na cokelat, aya butiran kacang di jerona. Biasana tauco dipake jang masak toge atawa kangkung dioseng.Rasana nu khas pisan teh emang geus aya ti jaman penjajahan keneh, jadi rasana otentik jeung unik. Saha nu kantos nyobian tauco? kumaha? enak pan? yuk ah urang beulian tauco mun mampir atawa ulin ka daerah Cianjur!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5017", "text": "Salah sahiji tempat wisata alam nu aya di Subang nyaeta Capolaga. Tempat wisata alam ieu mangrupa lahan luas di tengah kebon enteh nu eusina aya curug, playground, camping ground, outbond, jeung loba gazebo. Curug nu aya di capolaga nyaeta curug karembong, curug goa badak, jeung curug sawer. Sapanjang lahan loba gazebo jeung warung di kenca katuhu jajalaneun. Kamar mandi na oge aya di hampir sakabeh zona. Suasana na sepi, hawa na tiis sabab emang dikuribeng ku kebon enteh jeung gunung. Zona nu jadi daya taik Capolaga nyaeta solokan handapeun curugna. Caina herang pisan, tiis na meuni nyelecep. Pokokna mah cocok jang ulin bari niis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "135", "text": "Di Hotel Swiss-bellinn Wahid Hasyim, harga jeung fasilitas nu dibikeun teu sapadan. Sapeutingna teh 520 rebu teu kaasup jeung sarapan. Hotel jeung lobi na teh misah, jadi rada ribet mun rek ka lobi kudu kaluar heula. Kamarna leutik, jeung euweuh jandelaan, jadi euweuh pamandangan nu bisa ditinggali, jadi pas kaluar kamar teh cuma katinggali tembok bangunan lobi. Jang kamar mandi na cukup beresih, ngan rada teu nyaman soalna panto kamar mandina carang, jadi rada katingali di kamar. Konci elektrikna teu dibere dua, jadi lamun nu hiji rek kaluar jang make elevator. Otomatis kamar bakal pareum, poek. Tuluy pas rek check out, elevatorna macet teu bisa dipake. Geus bulak-balik ka lobi ngalapor, tapi responna lambat.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1547", "text": "Awalna dina nyiapkeun dana darurat karasa hese lantaran kudu ngaluarkeun sabagian duit tina pengeluaran bulanan urang jeung nempatkeunna kana dana darurat. Urang jadi ngurangan kahirupan sosial anu biasana sok kamana-mana jeung babaturan, boh eta ngumpul di tempat dahar, atawa ulin ka hiji tempat anu can pernah dikunjungi. Tapi saenggeus nyiapkeun dana darurat mah jadi dikurangan hal-hal anu kitu teh demi bisa tenang di waktu jangka anu panjang. Urang bakal leuwih ngarasa tenang mun geus nyiapkeun dana darurat tibatan bersenang-senang tapi ngan sakeudeung. Sabab urang moal apal kajadian naon nu bakal aya kahareupna, matakan penting ti keur ngora keneh nyiapkeun dana darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2018", "text": "Selera jalma béda-béda, jadi nanya naha loba nu resep kana film horor téh sarua nanya naha loba nu resep jengkol. Nalika kuring lalajo pilem horor, kuring biasana ngarasa kawas kuring geus dituang cai tiis: Kuring meunang merinding tapi dituturkeun ku rasa kapuasan. Jujur, kuring mangrupikeun jinis jalma anu ngadadak seuri nalika pancung atanapi pamandangan maot anu absurd. Seuseueurna film anu disutradarai ku Rocky Soraya nunjukkeun proses maot anu nyieun tanda tanya, janten biasana kulawarga kuring nganggap kuring ningali komedi kusabab kuring sering nyikikik sorangan nalika ningali éta. Contona meureun kieu, \"beuki bahaya racun, beuki loba jalma anu hayang nyobaan\". Sarerea kudu boga rasa panasaran, dina hal ieu jalma nu dianggap \"pengecut\" oge hayang nyilakakeun pikeun mikanyaho jalan carita, penokohan, kaayaan jeung kaayaan nu aya dina film horor. Sanajan kitu, sabenerna, film horor ngajadikeun kuring senang sabab ngingetkeun kuring pikeun ngahargaan hirup leuwih.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1168", "text": "Katering sehat bisa jadi salah sahiji opsi jang jualan di imah, tapi kumaha carana? naon wae nu kudu diperhatikeun saacan ngamimitian jualan katering sehat? Nu kahiji tangtuna geus nangtukeun target pasar. Ku nangtukeun target pasar, bakal leuwih babari dina ngarancang gedena modal, pilihan bahan baku, harga jual nepikeun ka model kemasanna. Nu kadua penting pisan jang mikirkeun kumaha cara ngajaga loyalitas pelanggan. Salian ti ngajaga kualitas rasa dahareun, bisa oge ti mulai mere potongan harga, atawa ngamudahkeun pelanggan mere timbal balik. Nu terakhir pastina kudu dipastikeun menu nu aya geus diuji coba jeung dumasar kana gizi kadaharan nu sehat. Jadi penting jang konsultasi ka ahli gizi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "131", "text": "Basa bulan 1 Juni 2022, urang dibejaan ku pejabat Dikti yen anjeunna keur dinas di Hotel Courtyard by Marriott Bandung nu aya di Dago. Anjeunna ngajak urang mondok didinya sabab lebar loba kamar nu kosong. Anjeunna oge ngajak babaturanna kabehanana ibu-ibu 4 jelema. Pas dibejaan kitu kabeneran urang keur aya di sakitar hotel eta. Urang langsung ngadatangan, nungguan di lobi rada lila aya kana 3 jaman sabab pejabat Dikti na masih keneh rapat nepi peuting. Saberes nungguan, urang diajak dahar di restoran hotelna. Isukna samemeh dahar, urang ngojay heula di kolam renang. Saberes ngojay, urang langsung bilas di kamar mandi nu aya deukeut kolam renang, tuluy dahar samemeh check out.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "157", "text": "Basa liburan ka Jakarta, urang mindengna make transportasi umum. Salah sahijina Transjakarta, salian meh teu keuna macet oge hargana anu murah. Tapi di Transjakarta teh sok pinuh wae ku penumpang, jadi sok nangtung sabari pasesedek. Aya tips ngameh bisa meunang tempat diuk di Transjakarta. Kahiji bisa datang leuwih isuk. Lamun datang leuwih isuk pasti boga kasempetan leuwih gede jang meunangkeun tempat diuk. Nu kadua ulah nangtung dihareupeun panto, usahakeun nangtungna di bagian jero beus. Salian ti kaganggu ku anu rek turun, lamun diuk di jero beus oge bisa boga kasempetan leuwih jang meunangkeun tempat diuk. Jadi pas aya nu rek turun, urang langsung bisa nempatan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "809", "text": "Loba mangpaat mun budak geus resep kana olahraga khususna mun ditinggali dampak jang psikologisna. Nyaeta olahraga bisa ngaronjatkeun rasa percaya diri, olahraga kabuktian bisa nyieun budak nu eraan jadi leuwih wani jang tampil di umum asalkeun lobaan, siga miluan tim mengbal. Mangpaat nu sejenna nyaeta ngawangun karakter. Budak nu resep olahraga bakal geus biasa maen adil jeung biasa nyanghareupan meunang atawa eleh. Salian ti eta, budak oge bisa ngatur emosi nu alus pas nyanghareupan situasi anu di luar rencana. Nilai positif sejenna nyaeta bakal kawangun jiwa pamingpin. Mindeng miluan dina gawe bareng jeung tim bakal ngalatih budak mecahkeun hiji pasualan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "155", "text": "Ka Baduy Jero oge jadi salah sahiji pangalaman nu berkesan. Sabenerna geus sababaraha kali ka Baduy teh, pas Kuliah Kerja Lapangan, tuluy pas penelitian, tapi ayeuna mah bisa nepika Baduy Jero. Harita urang jeung dulur limaan kaditu, tapi kaperluanna penelitian oge sih. Ayeuna mah ka Baduy Jero teh leuwih ngeunaheun sabab jarakna leuwih deukeut, da geus dibangun jalan kitu. Jadi tidinya ka Baduy Jero leumpang teh aya kana sajaman. Beda jeung baheula pas KKL, urang mangkat ti jam 9 nepi jam 5 teh acan nepika Baduy Jero, masih Baduy Luar tempat KKL. Wargana oge saromeah, teu hese ditanya. Tapi mun nu awewe mah rada hese soalna tertutup ka warga luar Baduy.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "541", "text": "Bedog mangrupakeun senjata tradisional sakaligus oge jadi warisan budaya nu gede maknana. Bedog dipikawanoh salaku salah sahiji pakakas masarakat tanah Pasundan nu kaayaanna eta miluan perjalanan sejarah panjang masarakat tanah Pasundan salaku masarakat agraris. Bedog ieu biasana digunakeun salaku alat pakakas dina bidang tatanen, sabab mibogaan fungsi nu signifikan pisan dina mantuan masaratak patani dina ngolah lahanna. Nepikeun ka ayeuna, kagunaan senjata tradisional ieu teu pernah digantikeun sanajan loba alat pakakas anu anyar, tapi kaayaanna masih dibutuhkeun pisan ku masarakat. Di masarakat Sunda aya sababaraha istilah bedog nu saluyu jeung kagunaanna. Siga bedog gagaplok nu digunakeun jang mantuan pagawean di kebon nepikeun ka begog pameuncitan nu digunakeun jang meuncit sato.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6755", "text": "Feri nyaeta jenis kapal anu dipake pikeun ngangkut panumpang jeung barang ti hiji tempat ka tempat anu sejen. Feri biasana dipake pikeun meuntas sagara, walungan jeung sajabana. Feri nawiskeun perjalanan anu langkung gancang sareng langkung efisien tibatan perjalanan darat, matak janten pilihan anu populer di kalangan wisatawan sareng pangusaha anu hoyong ngahemat waktos jeung ngahemat artos. Feri oge tiasa nampung langkung seueur panumpang sareng barang tibatan jenis kapal anu sanes. Feri umumna dilengkepan ku fasilitas sapertos ruang tamu, kamar cai, kafe, kasino, jeung sajabana. Feri pge biasana dilengkepan ku alat pelayaran anu canggih sareng sistem navigasi pikeun mastikeun jalan anu aman.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4921", "text": "Sanes urang bule wae nu gaduh salad teh, urang sunda ge gaduheun. Saladna urang sunda teh nyaeta karedok namina. Karedok jadi tuangeun karesep urang sunda sabab ngadamelna kacida babari teu kedah ngangge kompor, kur cekap ku coet. Cara ngadamel karedok nyaeta siapkeun kacang taneuh, kecap, cikur, uyah, jeung gula beureum kangge ngadamel bumbuna, Pami bahan utamana mah nyaeta sayuran sapertos kacang panjang, engkol, terong ungu, toge, sareng bonteng. Mimiti, eta kacang taneuh, cikur, gula beureum sareng uyah direndos dugi ka lembut. Pami tos lembut tambihan cai jeung kecap supaya teu kuled teuing. Saentos sagala bumbu nyampur, siksikan sagala rupi sayuran langsung kana coet nu aya bumbuan. Upami tos beres disiksikan, adukeun sagala bahan eta dugi ka rata. Saatos eta, karedok eurihkeun kana piring, tambihan kurupuk sareng sangu haneut.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2014", "text": "Aya waktos kolot mamatahan atanapi malah ngalarang budakna maén gadget. Kanyataanna, nurutkeun psikolog, generasi béda boga kagiatan béda dipilih ngagunakeun waktu luang maranéhanana. Nurutkeun psikolog klinis Rosdiana Setyaningrum, salasahiji hal anu ngabalukarkeun bédana antara generasi X lahir 1960-1980, generasi Y atawa milenial lahir 1981-2000, jeung generasi Z lahir sanggeus taun 2000 nyaéta kamajuan téhnologis. Salian ti éta, Rosdiana nganggap yén beuki modérn kagiatanana, beuki ramé kagiatanana, beuki ramé macétna. Kaayaan ieu nyorong generasi Y jeung Z pikeun néangan hiburan dina waktu luang maranéhanana anu teu merlukeun teuing mobilitas. Tungtungna aranjeunna ngamangpaatkeun téknologi. Kusabab kaayaan anu langkung rame, Rosdiana nyarankeun ngagunakeun waktos bébas sacara efektif sareng kualitas. Hiji tanda waktu luang kualitas nyaéta ngaleupaskeun kacapean sarta pampering sagala rasa.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2734", "text": "Sedengkeun tragedi anu nyéépkeun nyawa panglobana dina sajarah maén bal lumangsung di Lima, Peru, dina taun 1964. Dina waktu éta, 328 suporter leuwih maot. Tragedi ieu asalna ti rasa Kuciwa fans Peru ka wasit nalika laga ngalawan Argentina dina babak penyisihan Olimpiade Tokyo 1964. Waktu éta, Peru, anu tertinggal hiji titik ti Argentina, nyitak gul dina menit ahir. Tapi hanjakal wasit Angel Eduardo Pazos ti Uruguay ngabolaykeun gawang. Sarupa jeung tragedi Kanjuruhan sorangan, lumangsung alatan sikep represif aparatur, nalika suporter ngadorong deui anu asup ka lapang sanggeus pertandingan Arema vs Persebaya. Puncakna nyaéta nalika gas cimata ditembakkeun ka sakuliah stadion. Gas anu beracun ngageterkeun para suporter, buru-buru kaluar ti stadion, tungtungna seueur anu maot kusabab rame sareng sesak napas. Tragedi Kanjuruhan anu matak pikareuwaseun manah, mawa Indonésia jadi perhatian dunya.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5510", "text": "Karedok nyaeta salah sahiji tuangeun khas Jawa Barat. Mun di Dunia Barat mah gaduh salad, tah di Jawa Barat ge gaduh salad lokal nu namina karedok. Cara nyieun karesok gampil pisan sabab teu kudu dipasak. Mimiti, siapkeun bahan na nyaeta suuk, gula beureum, uyah, kecap, cengek, kol, terong ungu, toge, bonteng, jeung kacang panjang. Rendos suuk sacukupna jeung uyah jeung gula beureum, tong hilap make cengek sacukupna. Mun geus lembut, tambahan cai saeutik supaya teu kentel teuing. Tuluy tambahan kecap sacukupna. Mun geus enak rasana, siksikan sayuran kol, terong ungu, bonteng, kacang panjang jeung tambahkeun toge. Mun geus beres, adukeun jeung bumbu suuk nu tadi, tuluy sayogikeun dina piring. Tinggal tuang karedok make sangu jeung kurupuk.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2806", "text": "Ayeuna, loba kalungguhan manusa geus diganti ku robot. Dimimitian ti prosés manufaktur pabrik, karya repetitive sarta bisa diganti ku aturan programming atawa logika kayaning entry data, ticketing, monitoring jsb. Kuring malah ningali dina konperénsi internasional yén robot tiasa nyiptakeun lagu-lagu klasik énggal anu saé didangu saatos disuap ku lagu-lagu klasik anu aya. Ayeuna, intelijen buatan / robot canggih pisan bahkan aranjeunna dipasihan kawarganagaraan ku Arab Saudi (ngaran robot Sophia). Saur kuring ayeuna, padamelan anu teu tiasa diganti ku robot nyaéta padamelan anu aya hubunganana sareng ati sareng agama. Contona penyuluhan, pendeta, ustadz/ustadzah, hakim jeung loba nu poknateh pagaweannana loba ku kawijaksanaaan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7037", "text": "Lamun urang ngadangu istilah harta karun, istilah eta teh sabenerna aya dina Al-Qur'an, nyaeta kisah Qorun. Qorun salah sahiji jelma anu beunghar dina jaman na Nabi Musa. Dina Al-Qur'an dijelaskeun harta manehna seeur pisan, bakating ku seeurna konci kanggo muka harta na oge kedah digotong ku sababaraha jalmi anu badag awakna sareng kuat. Hanjakal Qorun dzolim ka diri manehna sorangan. Manehna sombong, teu daek ngadangu papatah anu bener, lamun dipapatahan manehna ngawaler yen sadaya harta manehna dihontal ku elmuna sorangan. Lantaran kasombongan na na. Qorun diazab ku Allah. Qorun jeung sadaya harta anu geus dikumpulkeun ku manehna dikubur dina jero taneuh.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5419", "text": "Indonesia mangrupakeun nagari nu gaduh sagudang kakayaan budaya. Salah sahiji kakayaan budayana nyaeta tradisi lompat batu suku Nias. Tradisi ieu sering oge disebut Fomohon ku warga satempat mah. Traisi lompat batu lain wae terkenal ku warga sa Indonesia, tapi tos loba dikenal oge ku warga internasional. Tradisi ieu dilaksanakeun ku lalaki suku Nias nu menjelang dewasa. Batu saluhur dua meter teh kedah tiasa dilewatan tanpa adek saeutik pun kana awakna. Tah mun lalaki bisa ngalakukeun hal eta berarti dianggap tos dewasa jeung dianggap suatu kahormatan sabab diberkahan roh karuhun. Tradisi ieu salian jadi kabiasaan, tapi jadi daya tarik oge jang para wisatawan nu datang. Sok loba wisatawan nu ngahajakeun datang jang nonton ieu tradisi.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2779", "text": "Dina pamanggih kuring, meuli mesin cuci 1 Tabung nu muka hareup. Éta sabenerna kedah asup kana saku rada jero tapi saharga lah kualitas jeung kanyamananan. Utamana mun poho nyeuseuh deui terus malah we kaluar imah kapohoan, cucian masih bisa geus garing, teu kudu repot sabab cai keran otomatis pareum ku sorangan. Upamana wae ari nyeuseuh baju teh, tapi ari nyeuseuh ayeuna mah teu bisa langsung garing, mun engke nyeuseuh ka imah, kumaha atuh kudu nungguan. nyeuseuh sakeudeung tuluy males ngagaringkeun Kalem Urang ngan kudu nangtukeun waktu nalika urang rék nyeuseuh. Contona, urang ngira-ngira yén urang digawé pikeun 8 jam, jadi diatur dina mesin cuci, contona, 1 jam saméméh urang balik ka imah, urang geus dimimitian ngumbah. praktis jeung irit.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1152", "text": "Unggal poe mangkat ka kantor isuk-isuk, sabab mun telat samenit ge sok aya sangsi. Ti imah indit jam 7 han, sabab can arasak dahareun jang sarapanna biasana urang sok mampir heula ka warteg atawa ka tukang bubur. Perjalanan ka kantor teh 45 menitan, eta oge mun teu macet. Nepi kantor urang biasana neundeun heula kantong dina meja sorangan, tapi teu langsung diuk, urang nyicikeun heula cai kopi ngarah awak haneut. Gawe di kantor sabenerna mah lain passion urang, urang jelemana babari bosen. Daripada diuk nungkulan laptop, leuwih ngeunah gawe di lapangan siga penelitian. Beres gawe di kantor biasana urang langsung balik, tara kamamana deui.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2031", "text": "Di tengah pandémik ieu, kagiatan janten terbatas sabab kedah ngalakukeun kagiatan di bumi. Urang ogé bisa jadi bingung ngeunaan hobi naon sabenerna urang boga jeung bisa ngamekarkeun. Ieu sababaraha tip anu tiasa urang cobian milarian hobi anu masih disumputkeun: 1. Coba hal-hal anu anjeun resep nalika anjeun murangkalih. Janten, upami anjeun henteu terang dimana ngamimitian, cobi pikirkeun hal-hal anu anjeun dipikacinta nalika anjeun alit. Kusabab nalika urang murangkalih, kalolobaan hal anu urang lakukeun nyaéta hal anu urang resep. Lajeng Chances téh, urang masih boga kapentingan sarua salaku déwasa. Neruskeun ka panggung 2. Coba sagala rupa, aya rupa-rupa kagiatan anu bisa urang coba bari di imah. Tapi lamun urang ngarasa bingung ngeunaan nyieun pilihan, teras coba ngalakukeun loba hal. Ti mimiti ngalukis, maen alat musik, masak, olahraga, ngebon, nepi ka nulis. Nupanuntung nyaeta 3. Tina seueur kagiatan, tingali kagiatan mana anu paling pikaresepeun sareng ngajantenkeun urang bungah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7942", "text": "Salah sahiji bencana anu biasa kajadian di daerah anu garing nyaeta halodo. Lamun halodo biasana urang sok teu gaduh cai, padahal cai teh kaasup anu penting pikeun kahirupan manusa. Urang tiasa hirup tilu poe leuwih tanpa dahareun asalkan aya cai. Cai oge dianggo pikeun pangabutuh urang sapopoe sapertos nyeseuh acuk, ngumbah wadah, mandi, jeung masak. Salah sahiji cara supados urang teu kabeakan cai nyaeta ngadamel bendungan cai. Bendungan ieu tiasa ngalindungan urang ti kakurangan cai lantaran bendungan ieu bakal nandean cai di jerona, janten pas jaman halodo urang tetep gaduh cai sanajan nuju teu hujan. Urang oge tiasa nyimpen cai ti ayeuna keneh pas nuju hujan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9465", "text": "Mondok di hotel mangrupa salah sahiji cara lamun urang keur nganjang ka hiji tempat, boh keur liburan atawa urusan bisnis. Nanging, pikeun sababaraha urang, nginep di hotel bisa jadi pangalaman anu mimiti. Ieu sababaraha lengkah anu tiasa dilaksanakeun supados bisa mondok di hotel nyaman. Cara nginep di hotel teh kaasup babari. Mimiti, urang kedah milarian hotel anu cocok sareng kabutuhan tur anggaran urang. Urang tiasa milarian di internet atanapi naroskeun ka babaturan atawa kulawarga anu kungsi nginep di hotel. Kadua, sanggeus manggihan hotel nu cocok, urang kudu nyieun reservasi atawa pesen kamar. Urang tiasa mese liwat online atanapi ku ngahubungan hotel langsung. Katilu, sanggeus reservasi kamar rengse, urang kudu nyiapkeun dokumen anu diperlukeun samemeh check-in, kayaning KTP atawa paspor jeung kartu kiridit. Kaopat, nalika urang nepi di hotel, urang kudu check-in di meja panarimaan. Urang bakal dibere konci kamar sareng inpo nu sejenna nu diperlukeun salila nginep di hotel. Janten, pikeun bisa nginep di hotel, urang ngan ukur kedah milarian hotel anu cocok, ngadamel reservasi kamar, nyiapkeun dokumen anu diperyogikeun, sareng check-in di meja resepsionis. Wilujeng nyobian!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6693", "text": "DI Indonesia urang bakal gampang manggihan buah nangka lantaran tumbuh di daerah tropis. Buah anu kaasup kana tutumbuhan dikotil ieu asalna ti India. Buah ieu oge tiasa didahar langsung atawa dijieun sayur gudeg khas Jogja. Lamun urang tos mesek buah nangka sae na mah langsung didahar soalna lamun disimpen lila bau na bakalan nguar kamamana. Atau urang oge bisa nyimpen buah nangka dina kulkas, tapi ulah waka dikumbah kusabab cai bakal nyieun buah jadi gancang busuk. Sae na mah nangka anu tos asak dipisahkeun jeung kulitna teras disimpen dina wadah anu katutup atawa bisa oge disimpen dina piring ditutup make palastik sing rapet.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4588", "text": "Laptop atawa komputer jinjing ayeuna Kalolobaan ngagunakeun layar LCD (Liquid Crystal Display) ukuran 10 inci nepi ka 17 inci gumantung kana ukuran laptop sorangan. Sajaba ti éta, keyboard dina laptop ogé kadang dilengkepan touchpad anu fungsina salaku \"panggantian\" mouse. kibor tambahan sarta mouse anu bisa napel via Universal Serial Bus atanapi PS / 2 sockets mana sadia.Beda sareng komputer desktop, laptop gaduh komponén pendukung anu dirarancang khusus pikeun nampung sifat portabel tina komputer portabel. Karakteristik utama anu dipiboga ku komponén laptop nyaéta ukuran leutik, konsumsi énergi anu rendah, sareng efisiensi. Komputer laptop biasana langkung mahal, gumantung kana merek sareng spésifikasi komponénna, tapi, harga komputer portabel langkung caket kana desktop nalika paménta konsumen naék. Tapi kiwari ku rupa-rupa desain anu pikaresepeun jeung up-to-date, laptop jadi hampang tur ipis, kaasup dina hal téhnologi beuki canggih.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4965", "text": "Kentang goreng nyaeta salah sahiji camilan anu digandrungan ku barudak ayeuna. Kentang goreng nu ditariguan ipis-ipis tuluy di goreng nepi ka warna na semu cokelat. Meuli na ayeuna mah babari, aya di tukang fried chicken dimana-mana. Unggal poe si mamah meser camilan ieu, ah abdi mah meser chicken na we dan kurang pati resep kana kentang goreng na mah. Batur mah ceunah resep ku renyahna, tapi pulen jerona. Aduh ceuk abdi mah kadaharan tina kentang teh kurang ngeunah. Tah si mamah mah unggal poe pisan meulian nu kitu teh. Ai beres meresan imah isuk-isuk sok ngadangkal meuli najan jah oge bakat teuing ku hayang na.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4957", "text": "Salah sahiji inuman paporit abdi nyaeta jus buah naga. Jus buah naga dijieun na tina buah naga jeung susu jeung gula bodas. Tapi, abdi mah biasa na tara make gula bodas, cukup ku susu wae. Warna jus buah naga teh nyaeta ungu, lamun disusuan sok rada peang warna na. Dina sisi na teh sok aya garinjul-garinjul siki na nu warna hideung. Biasa na oge aya nu ngejus ieu buah make campuran yakult. Rasa jus buah naga amis pisan, mun ditambahan yakult sok rada aya haseuman tapi seger. Mun nu rajin mah sisi wadah inum na teh sok direka-reka make susu kental manis. Tapi, kukumaha ge campuran nana, angger rasa dominan na mah rasa ti buah naga na sorangan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6672", "text": "Unggal dahareun pasti aya proses masakna, aya nu proses masakna sakedeung aya oge anu lami, gumantung cara ngadamelna. Proses masak anu lila can tangtu ngajamin rasana anu pasti ngeunah. Aya dahareun anu proses masakna lila pisan tapi rasana biasa wae, nyaeta dodol. Dodol kasohor lantaran proses masakna anu hese jeung nyeepkeun waktos anu teu sakedap. Dodol meriyogikeun waktos minimal opat jam nepi keun adonan nana janten dodol supados tiasa diemam. Padahal rasa dodol biasana ngan amis hunngkul. Tapi kanggo jalmi anu kirang resep dodol, ayeuna tos aya inovasi olaha dodol, nami na Chocodot. Camilan anu madukeun coklat jeung dodol garut ieu tos kasohor pisan janten oleh-oleh wajib upami mulih ti Garut.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7974", "text": "Kanggo sababaraha jalmi numpak angkot teh hese. Komo lamun urang teu apal jurusan angkotna sabab aya sababaraha angkot anu teu aya ngaran jurusanna janten ngan ayan nomerna hungkul, lamun urang teu apal nomor angkotna pasti bakal hese ngabedakeunna, komo biasana warna angkotna oge sararua. Aya seeur pisan jinis angkot, aya nu warnana hejo, hejo ngora, hejo kolot, koneng jeung bodas, aya oge nu biru. Di Bandung oge biasana bentuk angkot teh beda-beda. Aya nu make mobil Carry, Kijang jeung Inova. Matak tong heran lamun jalmi anu sanes ti Bandung mah bakalan rada lieur ningal angkot di Bandung pas mimiti teh. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2381", "text": "Beberesih pusaka, kaasup keris, biasana dilaksanakeun dina hiji peuting suro di masarakat Jawa.Prosés nyeuseuh keris dina jamasan pusaka.Maca do’a.Dina nyeuseuh keris, prosés nu paling penting dilaksanakeun nyaéta prosés nyeuseuh saenyana sangkan kerisna dijaga. Dina prosés ieu, Nasip ngaku yén anjeunna ngan ukur maca do'a biasa sateuacan ngalaksanakeun prosés nyucikeun keris. Bahan-bahan pikeun meresihan keris disayagikeun Pikeun nyeuseuh keris aya sababaraha bahan anu kudu disayagikeun, saperti cai biasa kembang, jeruk nipis, cai dicampur bubuk warangan, jeung sabun. Keris dicelupkeun kana cai sarta diusap ku jeruk nipis.. Léngkah munggaran nasip nyaéta ngalelepkeun keris kana cai kembang. Lajeng, anjeunna digosok keris ku jeruk nipis. Baca ogé: Naék jeung Ziarah ka Gunung Lawu Dina Peuting 1 Suro Samentara éta, jeruk nipis dipaké pikeun ngaleungitkeun keyeng dina keris. Proses ieu terus dugi ka karat mimiti ngaleungit. Lamun geus leungit, beuleum deui dina cai nepi ka jeruk nipis leungit.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "416", "text": "Jadi tokoh agama nu alus teh lain hiji hal nu babari. Tuluy kumaha carana jadi tokoh agama nu ditaati ku masarakat. Nu kahiji hate anu katata, jelema hirup teu pernah leupas tina sifat teu puas, nepikeun ka sababaraha jelema teu bisa nahan diri tina sifat gila hormat. Alusna mah saacan mutuskeun jang jadi tokoh agama kudu ngamimitian heula nata hatena jeung netepkeun tujuan ngajalankeun tugas eta ngan ukur ka Allah SWT. Nu kadua nyaeta bisa mere conto anu alus ka dulur-dulurna saluyu jeung artina tokoh nyaeta hiji jelema nu mere kapercayaan leuwih jang ngajarkeun oge nyebarkeun kasaean. Nu katilu kudu pinuh ku kanyaah, sabab Islam ngajarkeun ka kabeh umatna jang tuluy nunjukkeun rasa mikanyaah, ieu oge nu kudu dipiboga ku tokoh agama.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8011", "text": "Lilis kaasup jelema nu rapi tur resik. Sagala perkawis kudu rapi dipanon Lilis, kaasup dapur. Kusabab jelema nu rapi parabotan di dapur Lilis ditenden saluyu jeung kagunaanna. Katel sareng panci nu biasa dipake masak ditenden dikabinet handapeun kompor. Bumbu-bumbu masak ditenden dijero laci nu posisina luhureun kompor ngarah gampil upami butuh bumbu pas keur masak. Piring-piring sareng gelas ditenden ngabaris rapi gigireun wastafel. Unggal tos masak, Lilis langsung ngabersihkeun parabotan sareng dapur kitu oge unggal beres dahar. Lilis paling teu resep nu ngarana kotor janten unggal isuk saacan masak Lilis nyapu sareng ngepel area dapur nika raresik. Pokokna dapur pasti resik tur rapi upami aya Lilis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7085", "text": "Alloh paling teu resep kanu jalmi anu sombong. Jalmi anu sombong teh sanes jalmi anu nembongkeun acuk anyar supados katingal ku nu sanes. Tapi saha wae anu teu meunang dibejaan, teu meunang diseseulan. Saha wae anu nolak hal anu bener anu datang ti Alloh. Jalmi sombong moal tiasa asup kana surga, lantaran moal ngalengkah sanajan hiji lengkah lamun masih keneh aya rasa sombong di hatena. Matak urang teh tong janten jalmi anu sombong. Urang kedah sadar yen manusia mah tempatna salah jeung dosa, matak lamun diingetan ku batur teh ulah ambek, tapi kedah langsung ngaca. Tapi urang oge lamun ngabejaan batur carana kudu bener.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4915", "text": "Saberes uleman ti rerencangan kuliah, Rendi tuluy ka bumi indung kolotna (ninina). Di jalan, Rendi ningali aya jajanan keur jaman SD keneh, nyaeta cindog (aci jeung endog). Rendi tuluy eureun nyimpang ka eta tukang cindog jeung ngaraosan cindogna. Cindog mangrupi jajanan atau kadaharan nu sok aya di jaman sakola baheula. Dugi ka ayeuna, cindog masih keneh katelah ku barudak sakola. Ngan bedana, baheula mah cindog teh kur aci jeung endog hungkul, ayeuna mah ngangge vareasi, contona pilus jng sosis. Tapi rasa sareng ngeunahna mah masih sami jeung nu aya di saola Rendi baheula. Saentos wareg nuang cindog, Rendi nuluykeun perjalanan bari mamawa cindog kenging mungkus. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3900", "text": "Pagawe atawa pelayan restoran nyaeta salah sahiji pagewan anu teu eleh berat. Butuh konsentrasi buruh fokus jeung kudu bisa komunikasi nu alus komo nu bagian di hareup kudu kuat mental tur tetep ramah ngalayanan nu meuli. Aya babaraha restoran anu buka dua puluh opat jam artina teu libur teu tutup jadi hese mun rek istirahat, biasana restoran nu kitu pagawe na di shif jadi ganti gantian. Salian ti kudu kuat mental jeung sajabana kudu oge kuat pisik komo nu bagian di tukang aya nu bagean angkat angkat bahan masakan di tambah ulah geulehan da tugas na aya nu kudu meresan jeung mersihan kurut dahar batur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5327", "text": "Ustad Hanan Attaki nyaeta salah sahiji pendakwah nu ngadirikeun gerakan Pemuda Hijrah. Anjeunna sok dakwah di komunitas pemuda jiga geng motor, anak punk, skateboard, parkour, sapeda BMX, jeung sajabana. Anjeunna lahir di Aceh, 31 Desember 1981. Anjeunna ngagaduhan nami lengkap Tengku Hanan Attaki. Anjeunna mangrupikeun putra kalima ti genep bersaudara. Ustadz Hanan Attaki pernah sakola di Universitas Al-Azhar, Kairo Fakultas Ushuluddin, jurusan Tafsir Al-Qur'an. Anjeunna oge pernah nerbitkeun buku judulna Tadabbur Quran. Ayeuna anjeunna linggih di bandung, janten Direktur Rumah Qur'an Salman-ITB, pengajar Jendela Hati, jeung STQ Habiburrahman. Anjeunna aktif nyiarkeun dakwah Islam di saluruh Indonesia, oge melalui media sosial.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7474", "text": "Nganggo kompor listrik kanggo sapopoe teu meunang make panci jeung katel anu biasa, urang disarankeun nganggo panci jeung kompor anu bahanna dijieun ti aluminium, stainless steel, beusi atawa keramik supados teu ngaruksak bagian luhur kompor. Urang oge kedah ati-ati kana bahan pasakan anu ngeclak kana kompor, utamana sapertos kecap jeung gula anu bakal janten heuras lamun diantepkeun lami. Lamun teu geura diberesihan, kotoran keclakan eta bakalan heuras jeung bisa janten kotoran anu permanen. Saenamah urang oge teu nyeret panci dina luhureun kompor, mending oge diangkat supados teu aya goresan. Pas urang meser kompor, pasti urang oge meunang buku patunjuk anu ngajelaskeun kumaha carana nganggo kompor listrik. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6682", "text": "Jaman ayeuna sagala hal jadi leuwih praktis kusabab ayana teknologi anu ngabantosan pagawean jelema. Salah sahiji teknologi anu ayeuna seeur dimangpaatkeun nyaeta aplikasi kanggo meser dahareun online. Urang teu kedah cape-cape indit ka tempat restoran upami bade meser dahareun, tinggal kil-kil dina aplikasi ngke dahareun urang bakal dianterkeun ku ojek online.Tapi aplikasi ieu teu bebas ti masalah, pas awal-awal diluncurkeun seeur jalmi anu bobodoan meser di aplikasi, akibatna seeur ojek online anu rugi lantaran kapaksa kedah ngaemam nyalira dahareun anu kedahna dibayar ku nu meser. Teu sakedik oge pelanggan anu sok masihan nilai (rating) anu butut upami pesenan nana teu sesuai, padahal bisa jadi si ojek na tos menta dihapunteun. Urang kedah bageur ka ojek online salila ojek na bageur ka urang, masihan nilai bintang lima moal rugi ka urang tapi bener-bener berharga pikeun ojek online.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4105", "text": "Nabi Isa 'alaihis salam nyaeta nabi panungtungan saméméh nabi Muhammad. Ku takdir Allah, anjeunna dilahirkeun ku Maryam binti Imran tanpa bapa. Dina Al Qur'an, Allah ngirimkeun seueur ayat anu ngandung bantahan ngeunaan kayakinan anu salah ngeunaan Isa, sapertos kapercayaan yén anjeunna putra Allah atanapi salaku Gusti. Di antarana dina surat Ali Imran Allah diturunkeun ngeunaan 83 ayat patali Isa bin Maryam jeung rebuttals ngalawan ahli kitab. Allah ogé ngajelaskeun leuwih jéntré ngeunaan prosés kalahiran Isa dina surat Maryam (tingali ayat 16-37). Allah ogé nyaritakeun ngeunaan umat-Na anu satia (hawariyun), carita masakan kadaharan (QS. Al Maidah 112-115), jeung Isa diangkat ka sawarga (QS. Ali Imran 54-55, Nisa '155-159).", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1888", "text": "Nongton tipi, diajar, atawa indit-inditan jauh pasti bakal leuwih nikmat lamun dibarengan ku ngadahar jajanan, saperti keripik. Utamana upami keripik anu urang tuang ngadamel sora anu khas, nyaéta \"kereyes\" nalika urang ngamimitian ngadaharna. Éta sora nunjukkeun yén jajanan urang masih kriuk nalika bungkusan dibuka, ieu, réréncangan. Di sagigireun keripik, rupa-rupa jajanan séjénna ogé miboga tékstur renyah, saperti wafer jeung kurupuk. Sanajan kitu, kadang aya jajanan anu leungit rangupna nalika didahar, balukarna, jajanan henteu \"renyeuh\" sora nalika didahar, anu biasa disebut ogé melempem. Ieu biasana kajadian nalika bungkusan kiripik nabocor atanapi henteu ditutup pageuh saatos dibuka. camilan anu kakeunaan hawa pikeun lila teuing sabenerna bisa nyieun eta sluggish, anjeun nyaho. Wah, naon nu ngajadikeun jajanan teu renyah deui sanggeus kakeunaan hawa lila.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8652", "text": "Dina jaman moderen ieu, seueur jalma anu mobilitas anu luhur sareng sering ngarobih tempat padumukan. Ieu tiasa nyusahkeun pikeun ngawangun hubungan sareng tatangga anyar, sareng sababaraha urang ngarasa yen hirup di gigireun henteu penting. Sababaraha urang mungkin geus ngalaman pangalaman goreng jeung tatanggana samemehna nu bisa mangaruhan pintonan maranéhanana hirup hareup panto. Salaku conto, aranjeunna tiasa gaduh tatangga anu ribut atanapi kasar dina jaman baheula. Sababaraha urang tiasa sesah milarian kapentingan atanapi kagiatan anu sami sareng tatanggana. Eta bisa ngarasa leuwih nyaman hirup kahirupan pribadi maranehanana tanpa teuing interaksi jeung tatanggana. Sanajan kitu, sanajan aya sababaraha alesan jalma teu resep hirup jeung tatanggana, tapi tetep penting pikeun ngawangun hubungan alus jeung tatangga, sabab ngabogaan tatangga alus bisa mere mangpaat pikeun kaamanan, kanyamanan, jeung kahirupan sosial urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7635", "text": "Dinten ieu janten dinten anu paling beurat anu dialaman kuring salila gawe di kantor. Biasana akhir taun seeur pisan pagawean lantaran bakal pere, janten urang kedah nuntaskeun heula sagala pagawean di taun ieu sateuacan tutup buku. Asalna mah sagalana lancar-lancar wae teu aya masalah, tapi hiji poe aya rerencangan abdi anu gering, padahal manehna masih keneh seeur pagawean anu teu acan tuntas. Tos ti tilu poe kamari abdi ngabejaan manehna sangkan nyicil pagawean eta ti poe Senen keneh, manehna jangji bakal langsung ngagawekeun sadayana di poe Rebo, tapi pas poe Rebo eta manehna jol gering jeung kedah dibawa ka rumah sakit. Abdi kapaksa kedah ngagawekeun oge pagawean manehna lantaran pagwean kuring oge tos satengahna. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1184", "text": "Jualan di marketplace teh jadi karasa babari pisan, anu asalna urang kudu nawar-nawarkeun ka batur meh meuli produk urang. Ayeuna mah kari urang cicing jeung nungguan nu meuli. Sarua siga toko konsepna mah, tapi ieu mah jangkauanna leuwih luas. Misalna orang Sumatera bisa apal produk urang anu urang jualanna di Bandung, kitu oge sabalikna. Malah karasa ayeuna mah omset na bisa naek berpuluh-puluh kali lipat tibatan jeung jualan ti toko. Sanajan eta jualan di toko pusat karamean oge. Jualan di marketplace mah tinggal urang ngaposting produk nu rek dijual, kari nungguan aya nu meuli. Mun geus aya nu meuli kakara langsung packing.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5472", "text": "Sabakeh jalma nu pernah ka Yogyakarta pasti apal kanu ngaranna bakpia. Bakpia jadi salah sahiji oleh-oleh wajib mun ulin ka Yogyakarta. Tapi terang teu sih, oleh-oleh Yogyakarta nu terkenal salian bakpia ge seueur, salah sahijina nyaeta brem. Brem mangrupakeun kadaharan fermentasi nu garing. Brem ngan bisa ditemui di Yogyakarta, ku kituna ieu jadi salah sahiji dahareun khas nu identik jeung Yogyakarta. Tong hilap mun ulin ka Yogyakarta teh ulah meser oleh-oleh bakpia hungkul, tapi oge kedah nyobian brem! Rasana nu enak tur tiis mun kana letah ngajadikeun ieu oleh-oleh nu cukup kabilang unik jang dicobaan. Salian kitu, brem oge gaduh harga nu mirah pisan!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4535", "text": "Olahraga ekstrem emang ngabogaan loba mangfaat keur kasehatan utamana kasehatan mental, tetep aya oge resiko atawa kacilakaan lamun keur olahraga ekstrem, matakna lamun rek olahraga ekstrem persiapan na kudu leuwih loba salian ti persiapana fisik kudu oge persiapan sacara mental. Lamun teu kuat sacara mental mending ulah daripada kajadian sesuatau anu teuu di inginkan, kusabab sababaraha olahraga ekstrem aya anu cukup ngabahayakeun diri sanggeus kitu lamun rek olahraga ekstrem urang kudu percaya, percaya ka staff na percaya ka nu ngadampingna sabab lamun teu percaya percuma jadina kalahka kasieunan teu puguh jeung nu pasti kudu selektif tanya tanya jeung ngagunakeun alat pengaman anu bener bener aman kudu sering di cek. Soalna aya sababaraha kajian dimana alat pengamana ruksak teu berfungsi nu ngakibatkeun kacilkaan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4595", "text": "Kaunggulan tina laptop kaasup fungsi na, desain leutik tur basajan sahingga bisa dipaké dimana wae. Laptop langkung praktis sareng gampang dianggo, sabab sadaya alat dirakit dina hiji alat leutik. Janten pikeun ngamimitian nganggo éta, pencét tombol daya. Layar laptop ogé leuwih leutik jadi gampang dibawa. Eta aanu ngajadikeun laptop loba di anggo ku abtur nu sejena kusabab praktis jeung loba fungsina. Bisa di pake di gawe lamun keur sibuk di gawe jeung bisa oge jadi sarana hiburan bisa nongton film ngadengekeun lagu jeung sajabana lamun keur suntuk atawa bosen. Kabeh bisa di lakukeun ku sahiji alat ieu hungkul babari di bawa kamana mana teu kudu make colokan. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4991", "text": "Salah sahiji cara tradisional jang ngahaluskeun bumbu dapur nyaeta make coet jeung mutu. Coet jeung mutu ibaratkeun pasangan nu teu bisa dipisahkeun. Cara ngarendosna nyaeta mimiti siapkeun bahan nu rek di rendos. Kumbah sing beresih tuluy asupkeun kana coet. Tos kitu tinggal rendos wae make mutu nepi ka halus. Itung-itung olahraga tangan we ngahaluskeun bumbu make alat ieu mah. Tapi rasa bumbu nu direndos bakal leuwih nyari tibatan bumbu nu di blender. Biasana saatos bumbu dieurihkeun kana wadah, eta bumbu nu napel na sisian coet na teh sok ditambahan cai tuluy di kungkurahan supaya teu mubadzir teuing jeung deuih supaya wadahna beresih deui.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5861", "text": "Salah sahiji cara ngaberesihkeun mesin cuci nyaeta make konsentrat. Mimiti, meuli heula konsentratna dina onlineshop atawa meser langsung ka toko. Nu kadua nyaeta eusian mesin cuci make cai dina takaran pangtinggina. Geus kitu asupkeun konsentrat kana mesin cuci, tuluy puterkeun salila sapuluh menit. Piceun cai nu kotorna, tuluy ganti deui make cai anyar. Mun cai jeung kotoran na mesin cuci geus beresih, tinggal bilas mesin cuci make cai lalaunan. Geus kitu, beresihan mesin cuci make kaen lembut supaya bisa meresihan sesa detergen, sabun, jeung pewangi nu nempel. Tong hilap oge beresihan bagean luar mesin cuci supaya teu lumutan sabab kana cai wae.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7051", "text": "Salah sahiji kawajiban umat Islam nyaeta mayar Zakat. Zakat mangrupikeun ibadah anu kacatet dina rukun Islam. Pikeun unggal Muslim anu stabil finansial, atawa mampuh, wajib anjeunna mayar zakat ka jalma anu merlukeun. Zakat nyaeta ibadah anu boga tujuan pikeun mantuan jalma-jalma anu kurang mampu. Dina Al-Quran, Zakat disebatkeun sababaraha kali. Zakat mangrupikeun amalan agama dimana umat Islam masihan 2,5% tina hartana pikeun disumbangkeun ka anu peryogi. Kiwari, di sabagean ageung nagara anu mayoritas umat Islam, masihan zakat sifatna sukarela, tapi aya oge sababaraha nagara anu zakat oge diatur ku pamarentah. Di nagara kawas Inggris, upamana, umat Islam didinya mayar zakat ku cara langsung ka badan amal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5887", "text": "Zaman ayeuna mah geus aya robot pengantar makanan. Jadi, geus teu perlu deui pegawe jang nyajikeun makanan kana meja pelanggan teh, da geus bisa dilakukeun ku robot ieu. Bentukna teh jiga meja berjalan tapi aya huluan. Tinggina teh sakira satengah tinggi jalma pada umumna. Terus bentuk hareupna teh aya tempat sajian jiga meja, handapna aya rodaan jadi bisa fleksibel kaditu kadieu. Jadi konsepna teh jiga meja berjalan tapi ukuran nana leuwih leutik. Pengantaran nana teh disasuaikeun jeung meja pelanggan, jadi sok langsung nganterkeun ka meja pelanggan. Robot ieu teh ngamudahkeun sabab bisa leuwih efisien dina segi waktu jeung tanaga manusa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9322", "text": "Kangaranan hirup di komplek, aya wae nu jadi masalah teh. Lamun kurang-kurangna sabar mah matak setres, kitu ceuk pamanggih adi ipar kuring. Manehna cicing di hiji komplek nu rada gede di sisi kota. Pangeusina lolobana pasangan kulawarga anu masih ngarora keneh tur istri-istrina teh teu digarawe. Jadi sapopoe aya di imahna masing-masing. Atuh puguh wanci pabeubeurang teh loba ibu-ibu nu ngariung di salah sahiji tepas imah bari ngawarangkong. Ari adi ipar kuring, lain teu guyub jeung tatangga, tapi manehna mah teu pati resep ruang riung, komo bari jeung ngawangkong teu puguh ukur meakeun waktu. Kulantaran kitu, adi ipar kuring sok pada ngaromongkeun disebut sombong jeung mahiwal. Sakali dua kali mah eta omongan teh teu dipalire. Tapi lila-lila mah adi ipar kuring teu tahan, antukna mah manehna teh miluan we ngariung. Ngan teu unggal poe da puguh manehna mah najan teu gawe di kantoran oge boga bisnis sorangan. Jadi manehna boga kasibukan sorangan nu teu dipikanyaho ku tatanggana. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5717", "text": "Salah sahiji olahraga nu sok dilakukeun barudak leutik teh nyaeta permaenan sondah. Sondah teh dipaenkeunna ku cara luncat ngaclokan kotak nu tos digambaran. Jadi, maen na teh di taneuh atawa lahan nu lega, tuluy taneuhna digambaran kotak-kotak. Kotak kahiji nepi tilu ngan sakotak, terus dua kotak, terus sakotak deui, tuluy we luhurna kotak panggedena. Biasana dipaenkeunna sok ku minimal dua urang. Jadi, saurang-saurang maju ngalungkeun genteng kana kotak, tuluy ngaclokan kotak hiji-hiji. Tah nu teu bisa nahan kasaimbangan teh lasut. Mun gentengna teu katincak oge lasut. Jadi dina permaenan ieu mah bener-bener kudu bisa nyaimbangkeun awak supaya teu labuh terus lasut. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1588", "text": "Urang kudu ngarasa tenang jeung percaya diri ku sabab geus nyiapkeun diri sabener-benerna. Nyiapkeun jang kondisi bencana alam bisa mere perasaan anu aman jeung terlindungi. Pas urang geus nyiapkeun stok persediaan jeung nyieun rencana evakuasi nu bener, urang bisa ngarasa leuwih siap jeung tanggap kana situasi darurat nu bisa wae kajadian. Hal ieu bisa mantuan urang ngarasa leuwih tenang jeung nguatkeun kepercayaan diri urang jang nyanghareupan bencana alam. Pas nyiapkeun diri jang kondisi bencana alam oge bisa mere perasaan kepedulian jeung tanggung waler sosial. Ku nyiapkeun diri saacanna, urang bisa mantuan batur anu ngabutuhkeun bantuan pas kajadian bencana. Urang oge bisa mantuan komunitas jang leuwih siap nyanghareupan situasi darurat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3999", "text": "Jalan jalan atawa refreshing pasti jadi salah sahiji kabahagian keur kabeh batur, komo deui jalan - jalan na jeung kulawarga kabehan. Salian nikmat jalan jalan na jadi apal tempat anyar, jadi aya pangalaman tapi nu paling penting nyaeta bisa nyieun kabeh kulawarga jadi akrab komo lamun imah na jarauh pasti weh aya kekat na nu ngajadikeun canggung. Matakna jalan jalan kulawarga ieu teh penting jeung kudu di rutinan sangkan antar kulawarga tetep akrab jeung dekeut mun cek paribasa mah di latih amih teu kapareuman obor, jadi antar dulur teh kudu deuket kudu bisa saling ngabantu lamun aya nu butuh bantuan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6809", "text": "Hobi fotografi mangrupakeun hobi anu pikaresepeun. Fotografi mangrupikeun seni nyandak gambar sangkan ngadamel karya seni anu endah. Fotografi tiasa janten cara anu unik pikeun nyaritakeub tentang diri sorangan, sareng janten tiasa nyandak momen penting dina kahirupan. Fotografi oge tiasa janten cara anu pikaresepeun pikeun ngajelajah dunya sareng nyandak gambar anu sae. Fotografi oge tiasa janten salah sahiji cara pikeun komunikasi tapi teu kedah nyarios lantaran hiji poto pasti gaduh sagudang carita ditukangna. Seeur ayeuna mah anu resep ngabadikeun unggal kajadian penting, sapertos birth photography, nyeta poto pas nuju ngalahirkeun lantaran biasana pas ngalahirkeun teh seeur pisan kajadian anu lebar upami teu duabadikeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3953", "text": "Keur urang purwakarta teu kudu jauh jauh mun erek di loburan, aya tempat wisata nu tersembunyi atawa hidden gems nu cukup kasohor di purwakarta nyaeta Kampung Kahuripan nu letak na di cirangkong. Jalan ka kampung kahuripan emang rada jauh ti jalan raya, lokasi na asup kana gang tapi teu kudu khawatir jalan ka kampung kahuripan ges alus di aspal. Sapanjang jalan na ge aya loba pituduh jadi moal bakal kasasar. Tiket asup ka kampung kahuripan mudah lima belas rebuan sa urang jeung paling bayar parkir, tiket sakitu teh urang geus bisa nikmati fasilitas nu aya didinya aya kebon bintang mini, aya outbond jeung pastina tempat foto-foto instagramable.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "161", "text": "Bulan April 2022, urang jeung keluarga liburan ka Garut, berangkat ti Bandung aya kana 4 mobil. Tempat nu dituju teh kolam renang, tapi kolam renangna ngahiji jadi aya nu keur budak aya gogolosoran, aya oge jang lansia ngeueum cai panas. Nepi ditu, urang langsung ganti baju da lamun ningali cai teh sok hayang ngojay. Urang oge nyobaan gogolosoran nu posisina teh muter bareng Syarif jeung Reyhan. Tapi urang mah jelemana reuwasan, jadi tiap gogolosoran teh sok ngajorowok, sedengkeun nu lain mah biasa wae. Geus puas ngojay, arurang langsung balik tapi ka restoran heula jang dahar sabab geus ngojay mah sok lapar. Ngaran restoranna Asep Stroberi teu jauh ti tempat ngojay. Geus beres dahar lajeng foto-foto nepika sore balik deui ka Bandung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "912", "text": "Realme C33 anu disebut mibogaan desain Boundless Sea, anu inspirasina ti laut. Di dieu aya efek nu leucir aya garisan nu arahna teh bakal robah tiap ditinggali dina sudut anu beda-beda. Realme C33 boga dua kamera tukang nu nonjol. Realme C33 mibogaan layar 6,5 inci resolusi HD+. Tuluy mibogaan refresh rate 120Hz. Di bagian ieu aya saeutik kakurangan ti realme C33, nyaeta masih ngagunakeun MicroUSB jadi mun keur darurat jeung katinggalan casan moal bisa nginjeum ti merk sejen anu ayeuna mah lolobana geus make USB-C. Bodi bagian tukangna babari kagores jadi kudu dilengkepan ku aksesoris pelindung. Lamun ninggali tukangna bakal aya efek herang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5424", "text": "Kamari Rindi jalan-jalan ka Taman Mini Indonesia Indah sareng kulawargana. Rindi angkat ti isuk keneh supaya teu keuna macet di jalan. Sadugina di TMII, Rindi sakulawarga tuluy langsung jalan-jalan we dilebetna. Aya salah sahiji zona nu eusina rumah adat ti unggal daerah nu aya di Indonesia. Rindi sakulawarga popotoan di unggal hareupeun rumah adat. Rumah adat sa Indonesia aya kabeh didieu, nembongkeun kaunikanna masing-masing. Ti ujung Sabang dugi ka Merauke aya sadaya. Pantes we ieu TMII teh dijuluki miniatur Indonesia, da salian rumah adat, aya oge peta miniatur Indonesia di jerona. Ah pokokna resep pisan ameng kadieu mah, teu mantak panasaran. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4214", "text": "Kabudayaan Indonésia raket pisan patalina jeung unsur mitos jeung folklor. Lutung Kasarung mangrupa salah sahiji carita rahayat anu sok dicaritakeun nepi ka kiwari. Carita rahayat lutung kasarung mangrupa dongeng anu kakoncara di kalangan masarakat Sunda Jawa Barat. Carita rakyat Lutung Kasarung dimimitian di hiji karajaan kuna anu dipingpin ku raja anu wijaksana pisan, namina Prabu Tapak Agung. Sang Prabu dikaruniai dua putri nu geulis nu ngaranna Purbararang jeung adina, Purbasari. Nepi ka ahir hirupna raja nunjuk putri bungsu pikeun neruskeun tahta karajaan. Hal ieu nyababkeun rasa timburu Purbararang ka lanceukna. Dumasar rasa timburu jeung dengki, Purbararang boga tekad pikeun ngaruksak Purbasari. Amanat moral dina carita Lutung Kasarung ngawengku amanat pikeun ngahormat ka sepuh dimana Purba Sari salawasna nurut jeung ngahormat ka lanceukna sanajan lanceukna Purba Rarang sok ngahina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6501", "text": "Mun ngajalin hubungan jeung babaturan teh kudu sing bener. Tunjukeun sikap nu mantak batur nyaman, ulah nepi ka neundeun kesan goreng di batur. Kadang mah sok aya babturan nu ngamangpaatkeun hungkul, ngan nyerep kauntungan ti diri urang. Mun teu aya hal nu nguntungkeun jang manehna mah sok langsung indit jiga nu teu wawuh. Babaturan jiga kieu nu kudu dihindari teh. Di hareupeun urang mah bageur, eh di tukangeun mah malah ngomongkeun. Mun manehna butuh urang sok aya, mun urang butuh manehna sok euweuh. Mun diajak nanaon teh sok loba alesan nana. Tah nu kieu kudu dihindari pisan teh dina lingkup babaturan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4011", "text": "Carita novel anu judulna A+ karya Ananda Putri mah sae pisan. carita anu unik sarta metot, téma téh kawas kajahatan, romantis, tapi ogé élmuwan alus digabungkeun jeung carita tina latar tukang karakter anu sarua kuat sarta boga masalah sorangan tapi gawé bareng ngancurkeun untruth, nyaéta sistem ranking paralel di. sakola nu nepi ka maéhan. carita dina novel ieu lengkep pisan, sagala rasa campur aduk di dieu, ti sedih, nyeri, senang pikeun novel. Novel ieu sakadar nyaritakeun soal cinta cintaan remaja hungkul tapi oge aya persahabatan, rela berkorban tolong menolong jeung sajabana. Novel ini salian rame tapi oge bisa jadi inspirasi soalna loba amanat nu di sampaikeun ku carita ieu. Novel Ieu mangrupikeun salah sahiji carita sareng novel anu pangsaéna anu kuring baca taun ieu. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "983", "text": "Aya perangkat nu bisa mikawanoh ceurikna orok, alat ieu disebut Q-bear. Q-bear mangrupakeun perangkat jieun pausahaan Taiwan Quantum Music, nu dirancang jang penerjemah ceurik orok, Q-Bear dilengkepan ku kecerdasan buatan atawa AI. Desain Q-bear dilapisan ku silikon jadina mibogaan permukaan anu lembut. Sakolebat mah perangkat ieu siga speaker nu bentukna buleud aya tali jeung penyangga nu ukuranna gede, jadina bisa dipasang di tempat sare orok atawa stroller. Sacara umum, Q-bear ngategorikeun ceurik orok dina opat rupa indeks, nyaeta lapar, popokna kotor, tunduh atawa ngabutuhkeun kenyamanan. Terjemahanna bakal dihasilkeun 10 detik ti mimiti orok ceurik, anu akurasina nepikeun ka 95 persen.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "411", "text": "Bapa urang jadi salah sahiji tokoh agama di kampung urang. Anjeunna disebut ustad ku masarakat satempat. Geus jadi acara rutin tiap poe Kemis ngaji, boh eta ibu-ibu atawa oge bapa-bapa. Jadwal ngajina beda, mun ibu-ibu mah Kemis isuk-isuk, sedengkeun bapa-bapa mah Kemis sore saenggeus sholat Ashar. Urang biasana miluan pas ngaji sorena. Tapi bedana ngaji isuk jeung ashar salian ti dibedakeun awewe lalaki, tapi oge lamun isuk-isuk mah aya kajian atawa ceramah ti pun bapa. Beda deui jeung pangajian ashar mah leuwih ka ngaji atawa sholawatan. Ngaji oge teu lila, lamun isuk-isuk ti jam 7 nepikeun ka jam 9. Sedengkeun lamun sore ti jam 3 nepikeun ka jam 5.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5360", "text": "Tata cara khotbah sholat ied. Nu kahiji nyaeta khotib tatih mayun ka para jamaah, tuluy ngucapkeun salam. Tos salam, ngucapkeun takbir saloba salapan kali. Tuluy maca kalimat pujian ka Gusti Allah SWT nyaeta ku hamdalah. Tuluy wajib ngucapkeun sholawat nabi. Tos eta, maca doa wasiat supaya taqwa ka Allah SWT. Tuluy ngadugikeun nasehat kataqwaan, terutama pentingna zakat fitrah. Tos kitu, wajib maca ayat suci Al-Quran terus panutupan khotbah pertama. Beres khotbah pertama, dilanjutkeun kana khotbah kadua. Mimiti, maca takbir tujuh kali. Tuluy ngucakeun hamdalah jeung ngalantunkeun sholawat nabi. Beres eta maca doa wasiat jang taqwa, terus maca ayat suci Al-Qur'an. Tuluy maca doa ampunan jang umat Islam, terus maca doa sapu jagat. Tuluy penutupan khotbah kadua. Diakhiri oge ku salam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4950", "text": "Duh, es krim oreo teh kacida ngeunahna, euweuh kabosen nuang na teh. Amis jeung tiisna meuni ngeunah dituang di tengah poe ereg-erengan. Salian rasana nu mantap pisan, cara ngadamelna ge gampang pisan deuih, kur ngangge bahan oreo, susu, jeung gola bodas. Mimiti, bubukeun oreo dina bungkusna, tuluy gunting salah sahiji sisi palastikna. Teras jieun tinyuhan susu jeung gula bodas make cai panas supaya gula bodasna liur. Tos kitu, jajarkeun oreo dina wadah baskom, tuluy eusian ku cai tinyuhan nu tadi dugi ka pinuh. Teras bebeskeun stik es krim kana bungkus oreo. Lebetkeun kana freezer dugi ka beku. Upai tos beku, es oreo siap dituang tiis-tiis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3063", "text": "Numutkeun hasil survéy APJII, saloba 87,43% usaha mikro, leutik, jeung menengah (UMKM) di Indonésia geus ngagunakeun internét dina usaha. Hasil survéy Asosiasi Penyelenggara Jasa Internet Indonésia (APJII) némbongkeun yén saloba 87,43% usaha mikro, leutik, jeung menengah (UMKM) di Indonésia geus ngagunakeun internét dina usaha. Samentara éta, ngan 12,57% UMKM anu henteu ngagunakeun internét. Sacara rinci, saloba 63,59% usaha mikro geus ngajalankeun usaha online (online). Persentase usaha leutik anu ngajalankeun bisnis online nyaéta 65%. Lajeng, 72.04% tina usaha sedeng-ukuran geus ngajalankeun bisnis maranéhanana ngagunakeun internét. Samentara éta, aya 34.61% usaha mikro anu ngajalankeun bisnis offline. Saloba 34,96% usaha leutik henteu ngagunakeun internét pikeun ngajual. Lajeng, ngan 27,96% tina usaha sedeng ngajalankeun bisnis maranéhanana tanpa internét.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8096", "text": "Seueur pisan game nu ayeuna keur diraresep ku barudak. Nanging teuing kunaon game-game nu ngalatih kacerdasan berpikir teh kirang diminatan ku barudak, sapertos catur. Padahal tos aya aplikasi game catur janten maen teh teu kudu mamawa papan catur. Upami ditempo tina jumlah downloadna aplikasi catur nu paling seueur teh ngan lima puluh juta downloadan benten pisan sareng game kakoncara sejenna sapertos PUBG nu jumlah download tos nika keun lima ratus juta downloadan, sapuluh kali lipat leuwih seueur dibandingkeun catur. Catur teh tiasa ngalatih kamampuan berpikir arurang supados leuwih cermat sareng ngalatih fokus nyalsekeun masalah. Kukita na hayu urang giatkeun permaenan catur supados cara berpikir urang tiasa kalatih.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1611", "text": "Cara melak tangkal ngagunakeun metode tabulampot. Mimiti urang kudu nyiapkeun heula pot, urang oge bisa ngagunakeun pot nu ukuranna leutik heula jeung nyiapkeun pot nu ukuranna gede sairing tangkalna ngagedean. Eusi pot ku campuran taneuh, kompos, jeung areng sekam, komposisina nyaeta 1:1:1 nepikeun kaeusi satengah pot. Asupkeun campuran tutuwuhan jang nutupan akar tapi tetep kudu nyesakeun ruang dina luhur taneuh jeung bagian luhur pot. Sebor tangkal nu geus kapelak jeung teundeun di area anu sejuk jeung kahindar tina panonpoe sacara langsung. Sebor unggal poe atawa pas sore jeung saenggeus saminggu urang bisa mindahkeun tabulampot ieu di tempat anu terbuka ngameh langsung jeung panonpoe.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4507", "text": "Ekstrakulikuler bola biasana leuwih loba anggota na dina tiap angkatan di sakola. Loba anu mikuan esktrakulikuler bola nyaeta barudak lalaki, tiap unggal ekskul dina poe terakhir sakola jeung jam terakhir sakolah biasana dina poe jumaah atawa sabtu lapangan sakolah pasti jadi rame. Salian rame kanu latihan olahraga ekskul oge loba ku batur anu milu nongton latihan ekskul olah ragana. Lapangan sakola biasana jadi pinuh kusabab lobana jelema anu nempokeun na salian ti eta kan aya oge anu ekskulna di lapang saperti ekskul cheerleaders anu tugas na jadi penyemangat lamun aya pertandingan kusabab eta oge jadi makin rame lapangan sakolah, komo lamun ges latihan rek milu pertandingan boh nu ngan antar sakolah nepi ka antar kabupaten.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9447", "text": "Indah resep pisan ngumbara ka tempat-tempat anyar. Anjeunna sok ngarasa bungah nalika nyiapkeun perjalanan sareng resep ngajalajah tempat anu teu acan kantos dianjangan. Liburan ayeuna, Indah mutuskeun bakal liburan ka Dago Pakar, tempat wisata anu kasohor ku pamandangan alam anu endah. Anjeunna kataji pisan ku kaendahan alam di dinya sarta hayang pisan ngarasakeun pamandangan endah ti luhur. Saparantos dugi ka Dago Pakar, Indah langsung ka panginepan anu tos dipesenan. Anjeunna gumbira kalayan fasilitas nu disadiakeun di panginepan, utamana saprak apal eta lokasina di tengah leuweung sarta nyadiakeun suasana anu nenangkeun hate. Sanggeus nepi ka panginepan, Indah langsung siap-siap ngajajlaah Dago Pakar. Anjeunna nganggo pakean anu nyaman sareng sapatu anu pas pikeun ngajalajah tempat wisata ieu. Mimitina, Indah nganjang ka Taman Wisata Dago Pakar anu kasohor ku taman kembang anu lega tur endah. Anjeunna kagum ku kaendahan taman kembang sareng bagja pisan tiasa moto pamandangan di dinya. Sanggeus eta, Indah nganjang ka salah sahiji tempat wisata anu kasohor di Dago Pakar nyaeta Puncak Dago. Di dinya, manehna bisa nempo pamandangan Kota Bandung nu endah ti luhur, kaasup kaendahan gunung anu hejo keneh. Indah bungah pisan bisa liburan ka Dago Pakar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3064", "text": "Kiwari, ngokolakeun sumanget wirausaha mangrupikeun sumber panghasilan alternatif sareng jalan pikeun ngembangkeun diri. Dina taun 2020, nalika krisis dimimitian kusabab pandémik virus korona, seueur perusahaan ngadopsi kawijakan PHK. Hal ieu ngajadikeun dulur kapaksa salamet ku pamikiran rupa-rupa alternatif bisnis.\r\nData anu disusun ku Kementrian Koperasi jeung Usaha Kecil Menengah (Kemenkop UKM) ti taun 2010-2017 nunjukeun rata-rata paningkatan jumlah UMKM unggal taunna 1,4 juta. Bayangkeun upami dina waktos ayeuna sadayana ngamimitian janten pangusaha, kumaha persaingan pikeun unggal usaha bakal langkung tangguh. Ieu anu kedah diperhatoskeun ku sadaya jalma bisnis atanapi jalma anu nembé ngamimitian, persaingan ngajantenkeun urang kedah langkung mikir ngeunaan ideu bisnis atanapi kreativitas produk. Unggal pangusaha ayeuna bersaing pikeun narik ati konsumen. Dina kaayaan ieu, naon anu ngajadikeun produk urang béda ti pesaing? Naha produk sareng harga urang tiasa ditampi ku konsumen? Patarosan ieu tiasa dijawab nalika UMKM ngalaksanakeun riset pasar, komo deui pikeun nyiapkeun diri pikeun era normal anyar.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5746", "text": "Dayung arung jeram teh jadi salah sahiji hal nu nunjang pisan pangaruhna kana performa ngadayung unggal atletna. Dayungna teh biasana aya tilu bahan, bahan aluminiun, kayu, jeung karbon. Tah dayung nu dijieunna tina aluminium maah biasana jang atlet pemula atawa jang pangunjung wisata arung jeram sabab hargana nu murah jeung cara ngadayungna nu hampang. Mun dayung bahan kayu mah sok dipake ku para atlet nu ngarah kamampuan kakuatannana, sabab biasana leuwih beurat ti aluminium jeung karbon. Mun dayung karbon mah biasana dipake ku atlet nu geus mahir sabab beurat mun didayungkeun kana cai teh sabab dayung karbon boga beurat nu pang hampangna di antara dayung sejen.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3984", "text": "Basa keur urang sakola SMP keneh mun teu salah di tahun 2012 sapuluh taun katukang, ti pabrik bapak teh aja jalan jalan atawa biasa di sebut familly gathering ka Yogyakarta. Urang resep pisan da can pernah ka yogya keur itu. Tapi acara mangkat na malah pas-pas an jeung acara jurit peuting pas MOS, urang didinya binggung hayang pisan milu ka yoya tapi sieu mun teu milu MOS. Akhina uarang ngomong jeung izin ka guru keur mangkat ka yogyakarta. Urang kabehan mangkat naek bes no 4, bes mangkat ti subang jam 4 sore. Sapeupeting di jalan akhirna jam 8 isuk urang nepi di penginapan, saenggeus nyokot konci terus beberes urang bisa bebas rek ulin, urang ulin jeung bapa ka malioboro. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4954", "text": "Teh Poci mangrupakeun inuman nu dipikaresep pisan ku simkuring mah. Upami uih ti kampus abdi osok meseran wae teh poci unggal poe. Komo hawa di Jatinangor mah kan panas kacida, cocok we tengah poe nginum nu kieu. Mun uih ti kampus, abdi ngahaja sok lewat gerlam supaya bisa meser teh poci jang inumeun di kostan. Teras mun saatos meser teh poci, abdi oge osok meser camilan nana. Tah nu paling cocok teh mun ieu inuman disandingkeun jeung tahu crispy, beuh ngeunah na moal aya duana. Naon wae tuangeun na, teh poci nu jadi solusi jang ngaleungitkeun kahaus. Rasa na nu otentik mantak inget wae kamana-mana teh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4534", "text": "Seru, nangtang, sareng ngompa adrenalin mangrupikeun alesan kunaon jalma-jalma resep nyobaan olahraga ekstrim. Sanajan kitu, aya resiko tinggi balik olahraga . Éta sababna, anjeun kedah ngagem panyalindungan sareng patuh kana prosedur.Lamun dipigawé bener, olahraga ekstrim tetep aman tur bisa nyadiakeun myriad mangpaat kaséhatan. Sababaraha mangpaat kaséhatan na diantarana ngaronjatkeun denyut jantung, ngaronjatkeun sirkulasi getih sarta ngaronjatkeun suplai oksigén kana bayah. Sadaya pangaruh ieu tiasa ngajantenkeun awak langkung seger. Aya sababaraha cara cara anu bisa di lakukeun pikeun urang bisa tetep aman lamun ngalakukeun olahraga ekstrem, an kahiji pasti latihan urang kudu latihan atawa pemanasan samemehna, nu kadua pasti kudu dengekeun nasehat ahli jeung make alat pengaman.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6805", "text": "Sajaba ti renang jeung panahan, aya hiji deui katerampilan anu dianjurkeun kanggo diajarkeun ka murangkalih, nyaeta numpak kuda. Sanes saukur numpak na hungkul, tapi oge tiasa ngendalikeun kuda. Nyatana ngendalikeun kudab teh sanes perkara anu gampil. Teu sadaya jalmi langsung tiasa. Aya sababaraha sikap anu kedah dilatih supados urang tiasa ngahiji jeung kuda. Kuda baheula dijadikeun alat transportasi, tapi ayeuna janten hobi, rekreasi jeung olah raga. Kuda gaduh awak anu kuat pisan sareng tiasa ngangkut beban anu beurat. Kuda oge gaduh otot anu kuat pisan, janten upami tatih sababaraha lila oge kuda moal cape, kuda oge tiasa bobo sabari tatih. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3977", "text": "Delman bisa ka asup alat transportasi wisata soalna delman ayeuna biasa di pake di tempat wisata mun rek kukurilingan mawa tamu atawa pengunjung. Lamun naek delman rasa na teh resep jeung nyenangkeun pisan. lamun naek delman sok kabayang lagu naek delman \"pada hari minggu ku turut ayah ke kota\" lamun ingetlagu eta teh rasa na senang kabayang keur leutik. Delman transportasi anu make kuda, delman biasana sok di hias hias komo mun aya acara. Nu bawa delman ngarana kusir. Biasan a samemeh di pake kuda nu rek narik penumpang di bere dahar heula jeung obat obatan ameh kuat narik penumpang. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4114", "text": "Bulan rajab ieu bulan anu pinih berkah, salah sahiji bulan anu diantara sababaraha bulan anu istimewa. di bulan rajab urang di titah ngalakukeun sagala amalan bageur anu pahala di ganjar ku Allah berkali kali lipat. Di bulan ieu tatangga sabelah nyieun salametan jeung babagi ka anak yatim. Perbuatan nu kieu teh anu ku Allah di pikaresep, padahal lamun nominalna teu gede tapi Allah nyaho kumaha hate manusa kumaha niat na, anu insyaalah jadi pahala pikeun jelema anu ngayakaeun babagi jeung sayang ka anak yatim. Saking nyaahna Allah ka anak anak yatim, Allah nyebutkeun di suat an nisa ayat 36. Alah ngajangjikeun ka saha saha wae anu nyaah ka anak yatim bakal meunang pahala gede jeung menagkeun surgana Allah asal niatna ikhlas ridho ngan ka Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4005", "text": "Eusi carita A+ teh unik jeung menarik jadi loba di pikaresep ku batur. A+ Nyaritakeun sakelompok rumaja anu pinter ngabohgaan IQ di atas rata - rata anu ngalawan sistem ranking paralel di sakolana SMA BINA INDONESIA nu ilegal jeung memakan korban. Tokoh jeung karakter ogé bisa patali jeung kahirupan nyata. tokoh na nyaeta Re Digantara murid pinter tapi nakal, Keenan Aditya, budak pinter akademik jeung olahraga, idola sakola, Kalypso Dirgantara, murid anyar nu tétéla pinter pisan jeung luasan, Adinda Aletheia, murid pinter tapi judes nu jadi preman sakola jeung Aurora Calista, gadis geulis anu pinter jeung kaya raya. Unggal karakter saimbang sareng gaduh carita latar anu saé.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5105", "text": "Putra ngagaduhan hobi nulis puisi jeung artikel. Hampir unggal dinten anjeunna nulis artikel jeung puisi kangge dikirim ka surat kabar atawa media daring. Mimiti na mah Putra teh nulis kangge hobi hungkul, makin lila makin seueur nu maca karya na dina sosial media anjeuna. Babaturanna ngarekomendasikeun jang nyobian disetorken ka media supaya tiasa diterbitkeun ku media daring atawa surat kabar. Tah tuluy Putra nyobian we ngirimkeun karya-karyana ka sababaraha media. Alhamdulillah karyana aya nu dimuat di media daring jeung surat kabar. Hal eta ngajadikeun Putra leuwih giat nekunan hobina. Tah eta definisi hobi ngahasilkeun acis teh, tiasa jadi conto kangge nu lainna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7993", "text": "Moci tos janten primadona oleh-oleh khas Sukabumi. Moci biasana dijieun ti tipung beas atawa tipung beas ketan. Tipung nu digunakeun ngajadikeun patuangeun ieu boga tekstur nu kenyel. Moci ngagaduhan rasa nu amis kusabab dina proses ngajieunna ditambihan gula ka adonan moci-na. Moci oge ayeuna geus diinovasikeun ku rupa-rupa rasa jeung eusian. Rasa original, coklat, tur kacang hejo nyaeta rasa-rasa nu biasana diical ku produsen moci. Eusianna oge mangrupa-rupa ti mimiti kacang mete, kacang hejo, coklat, keju, jeung sajabana. Salian kenyel moci oge rada keset lamun didahar teh, kusabab luaran moci teh dipurulukan ku tipung halus oge jeung nambihan cita rasa. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8655", "text": "Hayu urang ngawangun kebersamaan sareng solidaritas antar sesama. Ku hirup rukun, urang tiasa nyiptakeun lingkungan anu langkung aman sareng nyaman pikeun sadayana. Abdi hoyong ngajak urang sadayana pikeun silih kenal sareng nguatkeun hubungan antar tatangga. Ku cara kitu, urang bisa silih tulungan jeung silih dukung lamun aya masalah. Kuring yakin yen hirup rukun sareng tatangga tiasa masihan seueur mangpaat pikeun urang sadayana. Hayu urang mimitian ku jadi ramah tur hormat ka nu sejen. Teu aya anu langkung nikmat tibatan hirup di lingkungan anu harmonis sareng damai. Hayu urang komitmen pikeun hirup rukun jeung tatangga urang, sangkan urang sadaya bisa kauntungan tina eta.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2316", "text": "Abdi nembe diondang kana mundur anu dipimpin ku pandita Jesuit. Sateuacan acara, abdi naroskeun ka Bapa, naha anu non-religius/mantan muslim tiasa ngiringan? Sareng wilujeng sumping. Malah kajadian ieu tétéla lintas agama, aya ogé atheis/agnostik, ogé Budha jeung Muslim. Kuring datang jeung euweuh ekspektasi. Kuring ogé \"teu percaya\", (rada) sering kana alkohol, mindeng handap sarta gampang dipangaruhan ku énergi négatip. Romo muka acara kalayan naroskeun ka para peserta supados henteu ngado’a sapertos rutin. Anjeunna ngajelaskeun yén Gusti ayeuna kajebak dina sababaraha definisi agama. janten langkung sae pikeun nyerah sadaya anggapan urang di awal. Saatos saminggu, anjeunna nawiskeun pendekatan pikeun 'ngarasa' Gusti dina tiiseun. Pikeun jalma anu teu nyaman jeung kecap Allah, anjeunna wilujeng sumping pikeun ngaganti eta ku alam semesta, cinta & perdamaian. Dina program semedi dinten kamari, nalika kuring nyobian cicingeun, kuring nyobian nanya ka tiiseun sorangan, \"Gusti, anjeun aya?\". Kuring masih teu boga jawaban nu pasti, tapi tiiseun geus cukup pikeun mawa katengtreman keur kuring, nu mindeng dikurilingan ku amarah. Éta rasa katengtreman, sababaraha kali ngajadikeun kuring ngeclak cipanon, sawareh alatan kasedih nalika ngeunteung kana lalakon hirup, tapi ogé cipanon anu lain ku kasedih.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3883", "text": "Jamu nyaéta ubar tradisional dijieun tina bahan-bahan atawa bahan-bahan tina tutuwuhan, atawa mineral jeung sari atawa campuran eta nu geus dipaké turun-tumurun pikeun pengobatan sagala panyakit, Jamu kasohor jeung jadi ubar tradisonal indonesia nepi ka luar negeri. Sabenerna aya rupa rupa jeniis jamu nu amis nepi ka nu pait, aya nu ngeunah jeung loba rasana nu teu ngeeunah. Tapi kudu tetep percaya jamu teh inuman anu menyehatkan, loba nu gering terus cageur minum jamu, jamu sodarangan aya loba bentuk na, aya jamu langsung cair nu menang ngagodog, aya jamu serbuk sachet, aya jamu kapsul pil nepi ka jamu racikan sorangan. Tukang Jamu babari di pangggihan khas na mah penjual jamu teh sok ibu ibu jamu na di gandong, aya oge depot jamu nepi ka ayeuna oge aya cafe jamu. Hal ini di lakukeun ameh jamu tetep aya dan loba peminatna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3971", "text": "Bobobox Pods Paskal mangrupikeun hotél kapsul anu kawentar di bandung bobobox pods pascal di Bandung anu katelah alus na, bersih sareng nyaman. Mibanda rating 8.6/10 ti ulasan leuwih ti 2000 sémah anu wareg salila maranéhanana tetep. Éta pisan wareg jeung kualitas kamar, fasilitas, sarta ogé lokasi nu startegis jeung deukeu kamana wea, utamana ka akses jalan jeung transporsii umum akomodasi. anu aya di Jalan Pasirkaliki ieu nyayogikeun sababaraha pilihan kamar, jumlahna aya 62 unit. Kabéh kamar sadia henteu ngan alus tapi ogé aman tur nyaman jeung sagala rupa jenis. Kamar-kamarna diwangun ku 4 jinis, nyaéta jinis standar, tunggal, deluxe, sareng ogé ganda.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8121", "text": "Aya hiji mesin cuci merek samsung nu hade pisan. Ngaran produkna nyaeta Twin Tube Power Storm and Air Turbo. Mesin cuci ieu ngagaduhan kapasitas nu ageung pisan, tiasa nampung acuk kotor nikakeun 16 kilo. Teu kudu hariwang acuk nu seueur teu seseh sacara sampurna kusabab ieu mesin nganggo teknologi Power Storm nu tiasa ngaluarkeun aliran cai nu kiat tur ka sagala arah ditambih aya dua baling-baling nu ngajieun acuk bersih sareng teu lecek. Ti ngarannna tos katinggal upami ieu mesin gaduh dua tabung, tabung keur nyeseh sareng keur ngeringkeun. Pengeringanna teu peryogi waktos nu lila sapertos mesin cuci biasana kusabab make teknologi Air Turbo. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3858", "text": "Seblak salah sahji jajanan atawa jajan kasohor ayeuna ti jawa barat khusus na bandung.Aya loba rupa seblak aya seblak baseuh jeung seblak garing. Toping jeung eusian seblak ge loba pisan bisa di sesuaikeun jeung kahayang. Macem macem seblak nyaeta aya seblak biasa nu eusi krupuk, aya seblak tulang nu aya daging hayam na jeung seblak ceker. Lada dina seblak oge bisa di peseen biasa na aya level levelan. Nyieun seblak sabenrna babari bahan nu di pake aya di sekitar saperti Kurupuk, mie, Cabe, Bawang beureum, bawang bodas, cikur, sayur jeung bungbu bungbu bakso, endog jeung sosis. Mimiti giling bungbu bungbu na tumis nepi ka seugit tuluy asupkeun eusi na kurupuk, mie, bakso sayur sajabana terus bumbuan uyah pecin jeung sajabana aduk aduk geus jadi seblak. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7929", "text": "Seeur pendaki anu teu sadar yen anjeunna aya dina kaayaan survival. Kungsi anjeunna sadar yen anjeunna kasasab di leuweung ti mimiti. Anjeunna bakal geuwat nyiapkeun dirina pikeun survival. Survival mangrupikeun kaayaan dimana pendaki gunung kedah salamet kalayan peralatan saaya-aya di leuweung. Ku cara eta, pendaki bisa salamet nepi ka tim nu nyalametkeun datang. Aya sababaraha mangpaat anu bakal urang meunang lamun urang geura sadar yen urang teh aya dina kaayaan survival, di antarana nyaeta urang tiasa nyegah kasasab leuwih jauh ka leuweung. Urang oge tiasa nyegah tina panyakit anu sok aya di gunung sapertos kalaparan, katirisan, panyakit halusinasi nepikeun resiko maot. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7422", "text": "Tennis Titans mangrupakeun kaulinan simulasi maen tennis anu dimaenkeun ku sasatoan anu mirip jeung sato anu muncul dina kaulinan Varmintz. Abdi resep kana kaulinan ieu lantaran kanggo abdi anu teu pernah ulin tennis, kaulinan ieu ngajadikeun kuring tiasa ngalaman ulin tennis sanajan teu pernah maen sateuacanna. Sora anu dikaluarkeun nalika urang nepak bal oge janten salah sahiji daya tarik ti kaulinan ieu. Urang oge tiasa nyobian sababaraha tempat kanggo ulin tennis tapi urang kedah nuntaskeun heula hiji babak. Urang oge tiasa ngagunakeun sato anu beda-beda lamun geus nuntaskeun kabeh babakna. Kaulinan anu dikaluarkeun ti taun 2005 ieu masih keneh tiasa dimaenkeun nepi ayeuna. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5009", "text": "Loba lauk seafood nu aya di pantai utara tapi teu aya di pantai selatan, dina aya na ge sok jarang. Contona di pantai selatan mah sok seueur lauk barakuda, tapi hese dipanggihan di pantai utara mah. Kitu oge sabalikna, di pantai utara mah seueur lauk etong, tapi di pantai selatan mah hese dipaggihan. Mantak beda kitu teh da beda habitat na. Tapi aya oge lauk atawa kerang nu tumbuh di duanana. Misalna wae lauk kakap, hurang, kerang hejo, cumi-cumi, jeung kerang dara. Ai ceuk abdi mah seafood nu di pantai utara leuwih enak jeung lengkap. Salian eta, hargana oge leuwih mirah tibatan nu di pasarkeun di pantai selatan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8847", "text": "Hp bisa disebutkeun salaku smartphone kudu boga sistem operasi. Kusabab ieu mangrupikeun salah sahiji ciri khusus Smartphone sareng anu ngabédakeunana tina telepon sélulér anu lami. Conto sistem operasi smartphone nyaéta Android, iOS, Bada, Symbian, jeung sajabana. Anu kadua nyaéta aya sababaraha aplikasi standar anu umum dina smartphone sapertos aplikasi kantor, jadwal, e-mail, jeung sajabana. Unggal smartphone kedah gaduh dukungan hardware anu mumpuni pikeun tiasa ngajalankeun sistem operasi anu dipasang di jerona. Alatna sarua jeung PC ngan dina ukuran leutik. Hiji deui hal anu dicandak dina smartphone nyaéta prosésor pesen anu langkung seueur tibatan telepon sélulér biasa. Smartphone boga kaunggulan pikeun ngolah pesen dina wangun pesen éléktronik (e-mail). Kamampuhan anu sanés anu dipiboga ku smartphone nyaéta yén éta tiasa dianggo pikeun ngaksés wéb/internét sareng eusi anu aya dina browser ampir sacaket urang ngaksés wéb ngalangkungan komputer.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4511", "text": "Kagiatan ekstrakurikuler baskét mangrupa salasahiji kagiatan di luar jam sakola jeung jadi wahana pikeun nampung, nyalurkeun jeung ngabina minat, bakat jeung hobi siswa dina milu dina kagiatan ekstrakurikuler. Ieu bisa dijadikeun salasahiji motivasi siswa milu dina unggal kagiatan ekstrakurikuler anu aya di sakolaan na . Kagiatan ekstrakurikuler baskét di sakola biasana dilaksanakeun saminggu sakali, nyaéta poé Saptu. Baskét nyaéta olahraga tim dimana baskét dimaénkeun ku dua tim anu diwangun ku lima pamaén pikeun tiap tim kalawan tujuan pikeun nyetak poin saloba-lobana. Sakumaha anu dijelaskeun dina aturan kaulinan, baskét dimaénkeun ku dua tim, unggal tim diwangun ku lima pamaén, unggal tim nyobian nempatkeun bal kana karanjang lawan anu nyegah tim lawan pikeun asupkeun bal atawa nyetak poin.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "980", "text": "Data pribadi milik 200 juta pengguna Twitter diduga bocor jeung disebar sacara haratis di forum peretas hacker. Salian ti eta, data oge nyakupan akun sababaraha pausahaan jeung institusi resmi siga SpaceX, NBA, WHO, CBS Media, jeung masih loba deui. Ryushi nu ngaretasna, hayang dibayar make duit tebusan anu hargana 3,1 miliar supaya data-data eta teu bocor jeung dijual ka publik. Lamun ditebus, data-datana bakal dihapus. Sabalikna deui mun teu dibayar data ieu bakal dijual ka publik anu dihargaan 940 juta per kopi datana. Data 200 juta pengguna Twitter ieu emang teu ngaekspos nomor telepon, kata sandi, sarta alamat tempat tinggal. Sanajan kitu, kabocoran data ieu tetep mibogaan resiko jang para pengguna nu kakeunaan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5481", "text": "Suling jadi salah sahiji alat musik tradisonal Jawa Barat nu kakoncara kamana-mana. Suling biasa dipake ngiringan lagu Sunda atawa dangdut. Umumna, suling dijieun tina awi. Cara nyieunna nyaeta poton awi buluh sapanjang tilu puluh senti, tuluy ti tengah ka belah katuhu jieun liang nu garis tengahna sakira satengah sentian. Beres eta, jieun liang diameter 1,5 cm saloba genep liang dina jarak nu sarua. Tuluy di pangkencana jieun liang rada gede nu digunakeun jang niup suling. Di ujung pang kencana pengpetan make kai gabus supaya angin nu ditiupkeun teu bijil deui ti luhur. Geus kitu tinggal dicobaan sulingna bari tingali anginna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5806", "text": "Di lembur abdi nuju diayakeun pertandingan voli antarkampung. Kabeneran imah abdi teh sisieun lapangna pisan. Bari ningali peluang, abdi niat rek dagang. Jadi, nonton voli na teh teu kudu jauh-jauh, cukup ti teras imah bari nungguan dagangeun. Abdi nontonna ge bari diuk di hareupeun imah, tuluy bari ngaladangan nu meuli oge. Jadi moal kudu barabe modeokeun atawa ngapotoan nu keur tanding, cukup ku nyuporteran jarak deukeut we. Abdi antusias pisan kana tim voli kampung abdi sabab bisa berhasil asup ka babak final. Perasaan abdi atoh jeung bangga, meskipun hanya antarkampung tapi bisa jadi juara jeung bisa ngabuktikeun kamampuanna dina hal voli.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8645", "text": "Sanajan anjeun boga panghasilan leutik, nyetel dana darurat masih bisa dipigawe ku cara di handap ieu. Jieun catetan tina pengeluaran rutin sarta non-rutin salila sabulan. Tina catetan ieu, anjeun tiasa terang sabaraha artos anu diperyogikeun pikeun biaya rutin sareng sabaraha anu tiasa disisihkeun pikeun dana darurat. Sanajan eta leutik, eta alus lamun aya sababaraha panghasilan dipisahkeun pikeun dana darurat. Mimitian ku persentase leutik sapertos 5% atanapi 10% tina total panghasilan anjeun. Coba ngawates biaya anu teu dipikabutuh, sapertos ngabatesan jajanan atanapi ngagaleuh barang anu anjeun henteu peryogikeun. Saban tabungan leutik tiasa langkung ageung pikeun nambihan dana darurat anjeun. Salian ti panghasilan utama, neangan sumber panghasilan tambahan, upamana ku ngajual barang-barang bekas anu teu dipake, ngajual kadaharan atawa inuman leutik, atawa neangan pagawean samping luyu jeung waktu luang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4209", "text": "Basa keur urang leutik dina tahun 2010an ka handap urang mindeng ningali atawa nonton carita carita rahayat di tv, biasana tv anu nayangkeun film film carita rahayat teh genta buana di indosiar. Urang inget pisan yen baheula unggal balik sakola teh urang teu sabar hayang buru buru nongton pilem pilem carita rahayat, biasana urang nongton babarengan jeung adi sarta indung urang. Basa keur leutik urang resep pisan nongton carita rahayat lamun di pilem keun kitu padahal urang teu apal yen eta carita rahayat mimitina kusabab leutik keneh, urang resep nongton pilem carita rahayat kusabab carita rahayat teh sok rada aya animasi na misalkeun aya adegan na naek manuk atawa manuk bisa ngomong eta anu ngajieun urang bungah nongton carita rahayat baheula.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6107", "text": "A day in my life abdi salaku karyawan di PT Infomedia Nusantara. Gugah bobo abdi teh sok jam opat, tuluy masak sangu dina mejikom. Geus nyangu, abdi tuluy ibak bari siap-siap ngalaksanakeun sholat subuh. Geus beres sholat subuh, abdi ngaji heula tadarusan hanca. Tos kitu tuluy we nyiapkeun bekel ka kantor, biasana make wadah tupperware kangge makan siang. Geus nyiapkeun bekel, tuluy nyiapkeun roti jang sarapan. Tuluy ganti baju jeung siap-siap indit ka kantor. Jam genepan abdi indit ka kantor make motor. Nepi di kantor teh jam tujuh kurang lima belas menit. Geus nepi di kantor tuluy santai ka ruangan kerja.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5454", "text": "Basa beres pertandingan arung jeram di Kalimantan Timur, bapak abdi dipasihan hadiah ku rerencanganna nu asli orang ditu, suku Dayak. Anjeunna masihan mandau ka pun bapak. Pun bapak kacida bungahna sabab geus lila hayang gaduh mandau tapi acan gaduh acis jang meserna. Kaleresan pisan eta manda teh endah pisan, leuwih ti ekspektasi bapak. Tuluy eta mandau teh dibawa uih we ka Bandung. Di bumi langsung dipajang dina dinding caket TV, majar teh hiasan langka nu teu kanilai hargana. Unggal poe Minggu bapak sok ngarawatan eta mandau teh, dielapan nepi ka herang beresih. Kacida ieu pajangan jadi pajangan karesep bapak pisan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4084", "text": "Sholat Jumat hukum na wajib mun keur lalaki nyaeta lamun di tinggalkeun matak dosa ged. Aya dina riwayat hadist lamun lalaki ninggalkeun sholat jumaah sacara di haja tilu kali berturut- turut bisa di anggap murtad saking penting jeung wajibna sholat jumaah keur lalaki, lamun keur awewe teu di wajibkeun tapi lamun ngalaksankeun teu nanaon eta biasa kajadian lamun keur di tanah suci, tapi lamun di indonesia jarang di lakukeun teu umum lamun di sakola ge biasana lamun nu lalaki jumaahan nu awewe aya kagiatan keputrian, salah sahiji alesan naha awéwé teu diwajibkeun pikeun ngalaksanakeun solat Jum'at nyaéta lantaran solat dilaksanakeun sacara berjamaah ku kituna dikhawatirkan bakal aya fitnah antara lobana lalaki jeung awéwé anu bakal kumpul di hiji tempat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8131", "text": "Seueuer jalmi nu teu tiasa ngagunakeun kamera. Nanging ayeuna kabutuhan foto-foto teh tos diperyogikeun pisan. Aya cara-cara nu tiasa dianggo pikeun nyokot gambar nu alus ngagunakeun kamera. Kahiji, pastikeun mode shutter-priority AE tos diaktifkeun supados ngacegah objek janten blur atanapi kirang fokus. Anggo ISO speed nu leuwih luhur, contona urang tiasa ngatur ISO speed ka 800 tur exposure compensationna diatur ka EV +2, janten sensor kamera leuwih sensitif ka cahya. Ku kituna hasil fotona teh bakal leuwih caang sareng leuwih sae. Upami pencahyaanna kurang sae tiasa ngagunakaeun flash teras reflektor. Flash sarenf reflektor alus dianggo upami kaayaan poek sapertos keur peuting.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3861", "text": "Sabenerna Opor hayam mangrupa masakan has Jawa hususna Kota Solo anu mangrupa hasil akulturasi masarakat Jawa, Cina jeung India. Lamun di tingali, aya dua rupa opor, nyaéta kaldu konéng jeung bodas semu coklat. Santan anu dipaké biasana henteu kandel teuing, sabab urang Cina baheula henteu resep santan. Resep opor jeung kaldu bodas semu coklat mangrupa campuran budaya Jawa jeung Cina, terus hiji deui opor anu make kaldu warna konéng, siga nu biasa na di jieun mun hari raya lebaran anu ditambah koneng jeung jinten sarta laja nyaeta mangrapikeun masakan anu dipangaruhan ku budaya India. Rasa kuat bungbu bungbu rempah mangrapikeun salah sahiji ciri khas masakan India.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5010", "text": "Salah sahiji masakan seafood paporit kalangan masyarakat nyaeta cumi asam manis. Cara ngadamel na ayeuna mah tiasa dituritan di bumi. Bumbu na tos seueur ni sachet oge. Bahan-bahanna nyaeta cumi, saos asam manis, bawang bombay, bawang bodas, jeung daun jeruk. Mimiti, beresihan cumina, piceunan mata, buled tinta, jeung selaput kulitna. Tuluy siksikan bawang bombay, bawang beureum, jeung bawang bodas. Tos kitu oseng-oseng babawangan nana dugi ka garing. Tuluy caian tong loba teuing, tungguan dugi ka ngagolak. Tos ngagolak tambahkeun saos asam manis na, aduk dugi ka rata. Terus abruskeun cumina, aduk-aduk dugi ka cumi na peot. Tong hilap tambahan uyah, gula bodas, jeing penyedap rasa. Pami tos pas, pareuman kompor. Cumi asam manis siap disayogikeun. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1837", "text": "Docang nyaéta kuliner khas Cirebon anu biasana disuguhan isuk-isuk pikeun sarapan. Saha nu nu nyaho si Docang ogé mangrupa kuliner legendaris anu cenah aya hubunganana jeung Wali Songo. Munculna kuliner docang ieu dimimitian nalika aya hiji pangeran anu bener-bener benci ka para wali pikeun nyebarkeun agama Islam ka sakuliah pelosok Jawa. Pangéran ngarencanakeun pikeun ngaracun para wali ku cara ngadamel jinis tuangeun énggal tina sésa-sésa tuangeun para sultan anu teu acan réngsé. Kadaharan anu diracun disuguhkeun ka para wali anu keur ngarumpul di Masjid Agung Karaton Cirebon. Ajaibna, racun anu dicampurkeun kana kadaharan anu disebut Docang teh eweuh pangaruhna. Malahan, sanggeus ngadahar docang, para wali malah kangenahan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7937", "text": "Salah sahiji hal anu ngajadikeun abdi sareng rerencangan tiasa janten sobat anu masih keneh gaduh hubungan anu sae nepikeun ayeuna nyaeta lantaran hubungan urang mah lain pedah aatohan hungkul lain pas sedih hungkul tapi sasarengan silih ngingetan ka Alloh unggal urang patepang. Abdi sareng sobat percanten yen lamun hubungan didasarkeun ka Alloh mah moal aya nu tiasa ngahancurkeun hubungan urang jeung moal ereun nepikeun iraha wae oge. Benten sareng rerencangan kuliah anu bakal ereun lamun tos lulus, rerencangan anu kaiket ku Alloh mah moal ereun nepikeun engke kempel deui di sorga. Janten lamun hoyong gaduh rerencangan anu awet kedah diiket ku Alloh.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2713", "text": "Jalma-jalma anu panik ngariung dina tangga heureut anu dirancang pikeun turun tina stan, sareng desain lorong turun ieu ngamungkinkeun hiji stampede / naksir manusa tiasa lumangsung kusabab langkung gampang tekanan lumangsung tina dorongan manusa anu aya. dina posisi luhur ka handap. Hal ieu kacida mungkin yen pingsan massal lumangsung alatan sesak napas jeung batur keur trampled. Kajadian stampede lumangsung nalika aya opat nepi ka lima urang per méter pasagi. Bayangkeun rarasaan, kuring geus ngarasa claustrophobic pisan di konser.\r\n\r\nJanten, kedah ditaroskeun sareng ditaliti kaputusan aparat kaamanan ngagunakeun gas cimata. Média asing mimiti nyorot \"blunder gas air mata\" anu lumangsung di Kanjuruhan. Amnesty International nandeskeun yén pulisi Indonésia kudu ngalakukeun review ngeunaan pamakéan gas cimata di wewengkon stadion pikeun mastikeun moal aya deui kajadian kawas ieu dina mangsa nu bakal datang.\r\n\r\nSigana mah kajadian invasi pitch tipe ieu geus lumrah di Indonesia, ngan sigana tegangan naek drastis sarta kaputusan nu dicokot teu komprehensif nimbang dampak karusuhan Kanjuruhan 2022 nu geus ngakibatkeun loba korban jiwa.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5411", "text": "Perbedaan jenis masjid nu aya di Indonesia. Nu kahiji nyaeta masjid raya. Masjid raya nyaeta masjid nu aya di Ibukota Provinsi nu ditetapkeun ku Gubernur atas rekomendasi kepala kanwil Kementerian Agama setempat. Masjid raya kudu tiasa napung minimal 10.000 jamaah jeung gaduh aula kapasitas minimal 500 jamaah. Nu kadua nyaeta masjid agung. Masjid agung nyaeta masjid nu ayana di Ibukota pemerintahan Kota atawa Kabupaten. Biasana bangunanna dideukeut alun-alun kabupaten atawa kota. Nu katilu nyaeta masjid besar. Masjid besar nyaeta masjid nu aya di Kacamatan. Biasana kedah mampu nampung 5.000 jamaah. Nu kaopat nyaeta masjid jamie. Masjid jamie nyaeta masjid nu ayana di tingkat desa tatawa kelurahan. Mesjid jamie kedah mapu nampung 1.000 jamaah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4234", "text": "Aya Kadaharan oleholeh has ti Purwokerto jeung Banyumas ieu disebut klanting sabab bentukna sarupa anting. Oleh oleh ieu biasana jadi pilihan jjelema nu ges balik ti lembur na nyaeta daerah jawa tengahan, klanting ieu di jadikeun pilihan oleh oleh kusabab bia awet lila. Nentukna semacem camilan laleutik jadi teu hese jeung paur lamun di bawa jauh. Rasa klantng oge gurih sigana bakal loba di pikaresep ku loba jalema. Klanting nyaeta Kadaharan ieu dijieun tina parutan sampeu jeung diperas tina cai, tuluy dicampurkeun jeung bungbu tuluy digoréng nepi ka robah warnan. Klating cocok di jadikeun cemilan lamun keur santai tapi lil kalilaan oge ngawareugkeun kusabab kalting di jieun tina sampeu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5469", "text": "Mun ngadangu kata Yogyakarta, pasti langsung kabayang kana bakpia. Nya! Bakpia jadi salah sahiji oleh-oleh nu khas pisan ti Yogyakarta. Unggal ameng ka Yogyakarta, pasti we uihna kedah mekel bakpia jang oleh-oleh. Bakpia eusina rupa-rupa, aya duren, aya rasa coklat, aya rasa kacang hejo, aya rasa keju, malahan ayeuna mah aya nu rasa hui ungu, jeung sajabana. Ieu oleh-oleh teh jadi bahan kasono mun nuju ka daerah Yogyakarta. Asa teu afdol lburan ka Yogyakarta mun teu meser bakpia. Rasa bakpia Yogyakarta teh beda jeung bakpia nu sok dijual di daerah lain. Teksturna hipu ngepros, jeung eusina nu pulen pisan jadi pangbeda ti daerah sejen. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2377", "text": "Klewang. Anjeun terang senjata tajam anu sering dianggo, preman, gangster (baca organisasi massa), bahkan mahasiswa? Dipaké nalika nyingsieunan jalma, nyerang, gelut antara kelompok sareng tarung mahasiswa, klewang mangrupikeun salah sahiji senjatana. Klewang nyaéta pedang gaya parang hiji sisi asalna ti Suku Malayu. Dina ukuran, beurat jeung wangun, kelewang aya satengahna antara parang jeung kampilan. Rupa-rupa pedang béda-béda nurutkeun budaya di Indonésia; aya kelewang anu ujungna lempeng, tapi lolobana aya anu ujungna melengkung. Klewang mangrupa pakarang andalan jang ngalakukeun hal nu nyieun cilaka batur, sabab bisa basajan jeung bisa maot. Bentukna panjang ogé méré kesan pikasieuneun pikeun nyingsieunan jalma. Klewang pohara populér di dunya peuting.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4596", "text": "Lamun keur leutik sokinget pisan di lembur unggal saenggeus sholat magrib jeung ngaji urang sok nongton televisi atawa tivi babarengan kumpul kabeh di tengah imah. Baheula tivi jadi barang anu sigana cukup mewah jeung jadi perhatian kusabab hiji hiji na hiburan anu bisa di tingali, da baheula can loba handphone ponsel siga ayeuna. Nogton tivi teh jadi saat anu paling di tunggu tunggu jeung di pikaresep ku sakabeh anggota kulawarga, da bari nongton tivi eta urang bisa kumpul, bisa silih nyarita jeung heuheureuyan bari seuseurian. Biasana lamun geus peuting urang nongton tivi na sinetron atawa berita berita ameh teu katinggaleun informasi atawa nongton bola.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6514", "text": "Faqih teh semester ayeuna tos kedah skripsian sabab tos semester akhir. Ti mimiti skripsian teh emang tos rada hese pengajuan penelitian nana. Tapi waktu berjalan teh tos tiasa ngerjakeun bab 1 sareng bab 2. Tah ayeuna kantun ngeureuyeuh bab 3 sareng bab 4. Pas di bagean pembahasan, dosenna seueur pisan ngarevisi. Malahan mah datana teh dianggap kurang valid jang penelitian. Faqih geus ngarevisi puluhan kali, angger wae can tepat sasuai jeung arahan dosen pembimbingna. Geus sabaraha kali oge diubah ngolah datana, angger we acan manggih titik nu tepatna. Faqih ngarasa hayang nyerah sabab geus hampir stres nguruskeun bab pembahasan hungkul. Untungna we Faqih gaduh hiji organisasi anu sok jadi pengalihannana tina rasa stres.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "993", "text": "Mesin jang nilep pakean otomatis mangrupakeun hiji alat nu fungsina jang nilep pakean sacara otomatis. Mesin nilep pakean ieu gawena sacara robotik, jeung boga kamampuan jang nilep nu geus diprogram. Alat ieu aya naon wae, nyaeta sabung berjalan, sababaraha leungeun robot, jeung baki. Baki eta diatur jang ngadorong kaluar pakean nu geus siap jeung geus ditilepan. Ukuran alat ieu nyaeta 81 cm, legana 71 cm, jeung beuratna 29,5 kg. Bentukna nu leutik eta, jadi bakal babari mun rek dipindah-pindah ka tempat sejen oge. Oge nyadiakeun aksesori mangrupa meja nu aya rodaan ngameh alat ieu bisa dibawa kamamana wae oge. Gancangna nilep pakean teu nepikeun ka 5 menit geus rengse.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1840", "text": "Seuseueurna urang Indonesia biasa sarapan sareng menu sangu isuk-isuk. Upami anjeun teu acan tuang sangu, anjeun tiasa nyarios yén anjeun henteu acan sarapan. Enya, mémang sangu mangrupa sumber ménu sasarap anu cukup nyuuh. Rupa-rupa menu sarapan jeung sangu ogé populer, jadi salah sahijina nyaéta mam uduk. Aya rupa-rupa menu sarapan jeung nasi uduk, gumantung kana karesep unggal jalma. Nasi uduk nyaéta sangu anu asak maké santan anu leuwih gurih batan sangu umumna. mam uduk aya menu lauk, saperti endog semur atawa lada, hayam goreng, bihun, gorengan, orek tempe, tahu atawa tempe diasinan, abon dadar, jengkol jeung sajabana nurutkeun selera masing-masing. Arurang tiasa milih warung uduk pangcaketna ti imah anjeun upami anjeun hoyong nasi uduk ieu salaku bagian tina menu sarapan isuk-isuk. pastina mam uduk mangrupakeun salah sahiji menu nu cocok jang sarapan isuk arurang.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "973", "text": "Aibo mangrupakeun teknologi robotika nu paling anyar jeung bisa jadi bagian tina transportasi, pendidikan, jeung perawatan kesehatan. Aibo nu versi anyarna dijieun beuki mirip pisan jeung anjing nyaanan. Versi anyar ieu diklaim bisa leumpang siga anjing nyaanan, siga salaman, diuk, ngageolkeun buntutna, ngudag bola, ngalakukeun ces atawa tos, ngiceup, peureum, diuk sabari ngabuka leungeuna, jeung masih loba deui. Aibo mibogaan ceuli anu panjang nu bisa gerak. Robot anjing ieu oge dilengkepan ku kamera di bagian irungna, opat mikrofon sora, jeung alat jang mikawanoh. Kapribadian Aibo bisa dibentuk tina pola asuh nu bogana. Ieu nu nyebabkeun Aibo bisa digunakeun saluyu jeung kabutuhan nu bogana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9500", "text": "Tito resep pisan lalajo film anime, utamana anime Captain Tsubasa. Asalna, Tito lalajo film ieu keur ngeusi waktu luang saberes sakola. Tapi, lila-lila kulantaran anime eta, manehna jadi boga cita-cita jadi pemaen bola. Unggal poe Tito rutin latihan mengbal jeung babturanna. Manehna hayang pisan jadi pemaen bola profesional terbaik jeung mawa Indonesia juara piala dunia. Di sakola, Tito jadi pemaen andalan pelatihna. Unggal milu kompetisi, Tito geus tangtu jadi pemaen utama. Sumangetna jeung kacintaanna kanu sepak bola, mawa Tito jadi pemaen anu cemerlang. Tito nyarita ka pelatihna, film anime anu jadi pangaruh ka tekad kuat manehna jadi pemain sepak bola.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7108", "text": "Masjid Agung Al-Jabbar tos diresmikeun ku Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil di Gedebage, Bandung, Poe jumaah. Pelantikan ieu dihadiran ku Menteri Perdagangan (Mendag) Zulkifli Hasan jeung Wakil Presiden Eksekutif (EVP) Sekretaris PT Hutama Karya (Persero) Tjahjo Purnomo, sarta Wakil Presiden Ma'ruf Amin, anu hadir sacara online. Upacara peresmian nandaan Masjid Agung Al-Jabbar tos tiasa dipake ku masarakat umum. Nurutkeun Ridwan Kamil, ieu masjid baris jadi masjid agung jeung ikon wisata anyar di Jawa Barat. Masjid Al Jabbar ayeuna jadi ikon anyar Kota Bandung. Matak teu aneh lamun loba warga nu hayang ningali langsung imah ibadah umat Islam lantaran Propinsi Jawa Barat mayoritas muslim.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "573", "text": "Perlengkapan tarian topeng teu ngan ukur topeng hungkul. Tapi masih aya sababaraha perlengkapan sejenna anu oge mibogaan peran penting. Contona pakean para pangtari nu mibogaan leungeun panjang jeung dasi ku ngagunakeun panitik ukon. Salian ti eta, pangtari oge mibogaan beber nu dilengkepan ku badong, keris, kaen batik, jeung gelang. Aya oge selendang jeung kkaen sampur, kaos kaki nu panjangna nepikeun ka tuur. Di bagian handapna, pangtari ngagunakeun calana nu panjangna nepikeun ka handap tuur. Teu poho oge pangtari ngagunakeun topeng nu dijieunna tina kai. Topeng ieu digunakeun pas nari dilakukeun ku cara ngegel bagian karetna nu aya dina jero topeng. Tuluy di hulu pangtari bakal ditutup ku sobra nu geus dilengkepan ku dua jamang jeung sumping.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8895", "text": "Minggu kamari kuring ulin ka imah babaturan kuring. Imahna saé sareng ageung pisan. Bari urang keur dahar cemilan, dumadakan robot beberesih lantai datang ka urang. Robot vacuum cleaner mangrupakeun vacuum cleaner nu bisa jalan otomatis tur teu merlukeun kakuatan manusa pikeun beroperasi. Urang ngan perlu mencet hiji tombol operasi pikeun ngabersihan lantai imah. Kuring reuwas sabab ieu pertama kalina kuring ningali éta robot teh. Bentukna lucu pisan, robot éta teh nabrak kuring kusabab kuring ngahalangan jalanna, kuring robih posisi sareng ngantepkeun robot ngabersihan lantai anu kotor. Bari di imah babaturan kuring terus ningali, robot ieu lucu pisan, hayang nabung jeung meuli engke.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5107", "text": "Abdi resep pisan maca buku mangrupa novel. Abdi sok macaan novel nu caritana ringan, jeung coverna lucu. Mun maca novel, biasana sok di taman atawa tempat nu teduh ku tatangkalan, supaya suasana na tiis, senyap, jeung teu bising. Biasana hiji novel ringan mah sok dibaca seep sapoe, ngan pami novel nu caritana rada beurat mah misalna carita politik, jeung sajabana paling saminggu nembe beres. Eta ge pedah kaselangan ku aktivitas sanesna. Mun maca novel, absi sok kudu fokus, ulah aya suara bising kandaraan atau sajabana. Maca novelna kudu diparengan ku cai bodas di sisieun, supaya mun haus teh teu kedah milarian deui ka warung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5376", "text": "Al-Quran nyaeta kitab suci umat Islam nu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW nu eusina ajaran Islam kangge didugikeun ka umat Islam. Al-Qur'an ditulis ngangge seratan Arab, jeung bahasa Arab klasik. Al-Qur'an terdiri tina 30 juz, 114 surah, jeung 6.238 ayat. Al-Qur'an diturunkeun na salila 22 tahun, 2 bulan, jeung 22 dinten. Surah nu aya dina Al-Qur'an, sasuai tempat diturunkeunna kabagi janten surah makiyyah sareng surah madaniyah. Surah makiyyah nyaeta surah-surah nu ayatna saalit atawa surah pendek eusina ngeunaan prinsip kaimanan jeung ahlaq. Surah madaniyah nyaeta surah nu ayatna seueur, atawa surah panjang nu eusina aturan-aturan hubungan hablum minallah sareng hablum minannas. Al-Qur'an mimiti diturunkeun tanggal 17 Ramadhan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9430", "text": "Liburan ka gunung langkung rame tibatan liburan ka pantai sabab masihan pangalaman anu langkung beragam. Di gunung, urang tiasa ngalakukeun rupa-rupa kagiatan sapertos hiking, ningali pamandangan anu endah, atanapi kemping di sisi danau. Salaku tambahan, liburan ka gunung langkung tiis tur seger tibatan liburan ka pantai. Janten sampurna pikeun anu hoyong liburan tapi alim ngarasa panas. Liburan ka gunung oge leuwih aman. Di gunung, urang henteu kedah hariwang ngeunaan ancaman ombak. Sajaba ti eta, ogé leuwih gampang pikeun ngajaga diri aman di gunung, sabab euweuh kagiatan kayaning ngojay atawa surfing anu bisa bahaya. Ku lantaran eta, liburan ka gunung leuwih nikmat ti liburan ka pantai. Salian ti nyadiakeun pangalaman anu leuwih rupa-rupa jeung nikmat, liburan ka gunung oge leuwih tiis, seger jeung aman pikeun sarerea.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9063", "text": "Shopee mangrupikeun platform anu cocog pikeun dianggo ku para pebisnis pemula, sabab sacara umum pasar anu identik sareng warna oranyeu ieu geus dikenal luas ku masarakat. Shopee sering ngalakukeun pamasaran anu pikaresepeun pikeun nguatkeun merekna. Salah sahijina, nyaéta ngundang panyanyi-panyanyi kawéntar, boh ti jero atawa luar nagri, pikeun ngayakeun konsér anu disiarkeun di stasiun televisi nasional. Kusabab popularitas Shopee beuki naik, seueur jalma anu mutuskeun pikeun janten penjual di Shopee, boh salaku usaha sampingan atanapi salaku sumber panghasilan utama. Shopee mangrupikeun aplikasi jual anu praktis sabab ngan ukur nganggo smartphone urang tiasa memasarkeun bisnis urang. Shopee ogé cocog pikeun mahasiswa atanapi ibu rumah tangga anu masih hoyong panghasilan sareng tiasa ngajalankeun ti bumi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5723", "text": "Salah sahiji perlombaan anu dipikaresep pisan mun aya tujuh belasan di lembur teh nyaeta tarik tambang. Ayeuna mah tarik tambang teh jadi salah sahiji olahraga rekreasi anu loba dipaenkeun jeung loba diminati ku olahragawan. Mun basa keur leutik mah olahraga ieu teh identik jeung acara tujuh belasan. Biasana dilakukeun ku dua grup nu berlawanan supaya saling ngadu tanaga. Tarik tambang ge ayeuna mah jadi salah sahiji permaenan daerah anu jadi warisan budaya nonbenda. Mantak, maenkeun tarik tambang teh jadi salah sahiji kabanggaan sabab sacara teu langsung bisa ngalestarikeun olahraga daerah. Yuk urang sasarengan jaga ieu olahraga daerah jeung warisan budaya teh!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "480", "text": "Bulan puasa salah sahiji kagiatan upacara kaagamaan nu dilakukeun ku muslim. Puasa ieu lilana nyaeta 30 poe. Puasa teh ulah dahar jeung nginum ti mimiti waktu subuh nepikeun ma adzan magrib. Sabenerna esensina mah meh bisa nahan hawa nafsu tapi disarupakeun ku dahareun. Dina bulan puasa loba nu ngayakeun tadarusan, kaasup pasantren diteun urang. Tadarusan diayakeun saberes sholat taraweh, biasana tiap jelema dipetel hiji-hiji tuluy didangukeun ku nu ngawurukna. Lamun bulan puasa teh sok loba oge nu ngalong, ngalong teh nyaeta anu lain budak pasantren tapi pas keur bulan puasa mah sok ngahaja masantren sabulan pinuh ngameh bisa miluan ngaji.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "990", "text": "Virtual Reality (VR) nyaeta teknologi nu bisa nyiptakeun simulasi. Simulasi eta siga dunya nyata, di mana urang bisa ninggali suasana jeung jalan-jalan di hiji kota nu can pernah didatangan. VR teu ngan ukur mere pangalaman ninggali layar, tapi urang oge bisa ngobrol jeung dunya 3D. Teknologi VR ngasimulasikeun loba indera, siga ninggali, ngadenge, nyabak, nepikeun ka ngangseu. Sanajan virtual reality ieu loba digunakeun jang maen video game, tapi virtual reality oge loba dimanpaatkeun jang bidang nu sejen. Virtual reality bisa ngamanipulasi otak jelema nepikeun saolah-olah bisa ngarasakeun rupa-rupa nu virtual jadi karasa nyata. Bisa disebut virtual reality teh nyaeta proses ngahapus dunya nyata di sabudureun manusa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7912", "text": "Urang kedah ngusahakeun kanggo ngajadikeun alokasi dana darurat ieu janten prioritas. Dina perencanaan kauangan, prioritas ieu teh penting pisan. Urang kedah bener-bener nganggo artos urang dumasar kana skala prioritas. Mana nu leuwih penting kudu diutamakeun heula. Contona, tagihan atawa cicilan, ieu pasti salah sahiji jenis pengeluaran anu kaasup kana skala prioritas utama. Kitu oge jeung dana darurat, usahakeun ieu dana darurat ieu jadi prioritas urang. Nanging, teu kedah janten beban. Urang kedah tetep tenang sareng tetep ngutamakeun kabutuhan utama aurang. Lalaunan tapi konsisten bari ngadoakeun supados henteu aya kaayaan darurat sateuacan anjeun gaduh dana anu cekap kanggo minuhan kabutuhan dana darurat urang. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3930", "text": "Keuyeup mangrupakeun salah sahiji kadaharan ti laut populér sarta loba connoisseurs na, keuyeup kapanggih dina sakabéh sagara di dunya. Aya ogé keuyeup cai tawar jeung darat, utamana di wewengkon tropis. Salian ti keuyeup aya deui jenis anu ampir sarua, anu ngaranna keuyeup, keuyeup nyaeta keuyeup anu hirup di cai laut jeung jarang naek ka basisir, salian ti dua di luhur aya deui anu disebut yuyu, nyaeta keuyeup. anu hirup di cai tawar (walungan jeung situ).biasana bentuk awakna leutik. Keuyeup rupa-rupa ukuranana, ti keuyeup kacang polong nu rubakna ukur sababaraha milimeter, nepi ka keuyeup lancah jepang, panjangna sukuna nepi ka 4 m.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8072", "text": "Jalma resep olahraga ekstrim sabab ngarasa sensasi tina pikagumbiraeun jeung adrenaline kuat. Olahraga ekstrim mindeng ngalibetkeun kagiatan anu merlukeun kawani husus sarta kaahlian, sarta boga resiko luhur batan olahraga konvensional. Sensasi pikagumbiraeun sareng adrenalin anu asalna tina olahraga ekstrim sering katingali salaku pangalaman anu unik sareng henteu tiasa dipendakan dina kagiatan sapopoe. Sababaraha urang oge ningali olahraga ekstrim salaku cara pikeun nungkulan kasieun maranehanana sarta tangtangan sorangan. Salaku tambahan, olahraga ekstrim oge tiasa masihan rasa kabebasan sareng ngabebaskeun tina rutinitas sapopoe, sareng ngamungkinkeun jalma pikeun ngaraos hubungan anu langkung jero sareng alam sareng lingkungan di sakurilingna. Nanging, penting pikeun emut yen olahraga ekstrim oge ngagaduhan resiko anu ageung sareng tiasa bahaya upami henteu dilaksanakeun kalayan ati-ati sareng persiapan anu nyukupan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3922", "text": "Alpuket mangrupa buah lokal anu loba dimekarkeun di Indonésia. Buah alpuket salah sahiji buah anu pohara dipikawanoh sarta populer di masarakat, salian ti ngabogaan rasa anu nikmat jeung tékstur lemes, jeung cocok di asakan atawa di campurkeun kana dahareun tawa minuman alpukat ogé miboga sababaraha mangpaat keur kaséhatan awak. Mangpaat buah alpukat pikeun saperti bisa ngarojong kaséhatan awak teu diragukeun. Rupa-rupa mangpaat anu dimeunangkeun tina kandungan gizi dina buah alpukat. Buah alpuket bisa ngajaga beurat awak, bisa mantuan nyerah sembeli, ngajaga kasehatan mata jeung bisa ngajaga tensi tetep normal jeung sajabana. Henteu ngan gizi lengkep, rasa alpukatnu ngeunah didahar atawa diolah jadi inuman seger.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8022", "text": "Olahraga tiasa dilakukeun keur ngisi waktos lowong. Aya salah sahiji olahraga nu kirang dipikawanoh di masarakat. nyaeta kalistenik. Kalistenik teh olahraga nu tiasa ngawangun massa otot dina awak. Kalistenik ngagaduhan babaraha kaunggulan salah sahijina nyaeta teu peryogi alat-alat, cekap ngagunakeun berat awak sareng gaya gravitasi. Conto-conto gerakkan nu aya dina olahraga ieu, sapertos push-up, pull-up, hand stand, plank, jeung sajabana. Gerakan-gerakan dina kalistenik umumna gampil dipraktekkeun, nanging aya sababaraha gerakan nu ulah sembarangan dilakukeun kusabab tiasa ngabahayakeun awak. Conto gerakanna nyaeta hand stand, upami salah mraktekeun tiasa nyieun misalah di tak-tak, beuheung, atawa leungeun. Leuwih fatal tiasa oge nyebabkeun tulang potong.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7059", "text": "Jalmi anu pang muliana di hareupeun Alloh teh bisa wae jalmi anu paling seeur ujian dina hirupna. Diuji ku ditinggalkeun ku jalmi anu dipikanyaah dina hirupna, diuji ku teu gaduh pagawean, dipasihan musibah panyawat, dipasihan ujian nyaeta dirugikeun dina daganganna. Matak urang tong sedih lamun ngalaman salah sahiji ujian eta lantaran eta teh artina Alloh nuju masihan urang kasempetan kangggo ngarasakeun paitna hirup jalmi anu dipikanyaah ku Alloh, nyaeta paitna hirup anu dialaman ku para Nabi jeung jalmi anu saroleh, anu tos dijamin asup kana surga. Eta oge janten tanda yen Alloh teh nuju merhatikeun urang. Di dunya mah urang ngarasa sengsara, tapi di akhirat engke urang bakal dipasihan ganjaran anu sae ti Alloh lantaran kasabaran urang. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4962", "text": "Sop buah simpel ala abdi mah bisa dijieun di imah masing-masing. Carana gampang, bahan na oge teu kudu seueur reka. Biasana abdi ngangge buah cau, apel, melon, jeung alpuket. Jang kuah na mah cukup ku susu kental manis ditinyuh we. Tah eta buah-buahan teh dipotongan jiga bentuk dadu atawa leuwih ageung. Tos kitu, lebetkeun kana mangkok tuluy kucuran make cai susu dugi ka kakeueum sagala buahna. Mun hoyong ngeunah pisan mah tambahan siki selasih diluhurna. Salian ti enak, ieu inuman oge kaya kandungan gizi na. Nya tina susuna, nya tina buah-buahan nana. Tah sabab eta, hau ah urang biasakeun nyieun tuangeun sehat jiga sop buah ieu. Teu kudu nu aneh-aneh komo riweuh mah, nu kieu we nu mantak sehat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "454", "text": "Keur poe lebaran atawa Idul Fitri teh usahakeun jang kumpul jeung kulawarga, sabab teu bisa unggal poe kumpul jeung kulawarga teh, libur heula gawe mah. Lantaran aya hiji babaturan urang nu pas poe lebaran teh tetep gawe sabab ditawaran ku bossna mun gawe pas poe lebaran gajihna bakal di dua kali lipatkeun. Ceuk urang mah ulah ditarima tawaranna teh sanajan gajihna dua kali lipat ge, sabab poe lebaran mah sataun sakali ayana, beda jeung gawe mah bisa tiap poe. Tapi beda deui mun manehna keur ngumbara mah, jauh jeung kulawarga atawa dulur, eta mah teu jadi masalah teu kumpul oge nu penting aya komunikasi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5024", "text": "Di sela-sela waktu latihan arung jeram, abdi sok ulin ka Sanghyang Heuleut. Akses na sok ti kebon pengkeureun imah babaturan. Sabab jeung warga lokal, jadi asupna gratis teu kudu mayar karcis. Tah ti imah ka sanghyang heuleut teh mapahna sakitar sajam. Abdi mah sok ngahajakeun mawa timbel jeung deungeuna supaya bisa botram diditu. Biasana samemeh botram, abdi guyang heula nepi ka wareg. Geus cape guyang karek muka timbel jang botram. Geus botram istirahat heula sakeudeing tuluy balik deui ka imah. Tah sanghyang heuleut teh temoat guyang nu caina hejo, jeung kenca katuhuna loba batu zaman purba nu aralus bentukna. Mun kadieu wajib pisan mawa baju salin beh teu kabulusan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "887", "text": "Gerakan olahraga salah sahiji faktor anu penting meh mangpaat tina olahraga bisa maksimal. Tapi kumaha cara ngalakukeun gerakan anu bener pas olahraga? Olahraga alusna mah dimimitian ku pamanasan dituluykeun ku gerakan inti jeung ditutup ku pendinginan. Pamanasan ieu fungsina jang persiapan otot saacan ngalakukeun gerakan nu leuwih beurat. Kagiatan ieu alusna dilakukeun dina kabeh bagian awak, dimimitian ku awak bagian luhur, siga hulu, beuheung, jeung punduk. Tuluy ka bagian tengah nyaeta cangkeng, jeung bagian handap, nyaeta tuur. Tuluy gerakan inti, gerakan ieu teh nyaeta gerakan utama siga lumpat, ngojay, nyapedah, jeung sajabana. Nu terakhir mah pendinginan, ieu mangrupakeun salah sahiji fase penting anu fungsina teh jang relaksasi otot ngameh teu keram.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7647", "text": "Ti baheula keneh, rerencangan abdi resep pisan meser acuk di Pasar Cimol, Gedebage. Pasar Cimol ieu sanes pasar anu ngical cimol tapi pasar anu ngical acuk tilas ti luar negeri sapertos Jepang jeung Korea. Di tempat ieu seeur pisan acuk anu sarae anu merekna alus tapi pangaosna jauh pisan ti pangaos aslina lamun urang meser barang anu anyar. Seeur acuk anu merekna alus tapi pangaosna mirah, asal urang tiasa milihna. Rerencangan abdi tos mulai tilu taun leuwih ngical acuk ti Cimol teras diical di Instagram. Kabeh acukne diseuseuh heula jeung tos dipilihan anu aralus. Manehna oge ngical di aplikasi Shopee. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3040", "text": "Sajujurna, nepi ka ayeuna nu dirasakeun pikeun jadi wirausaha teh nyaeta SIEUN, kumaha bae sabab salila 20 taun katukang kuring sok cicing di zona aman, tapi mudah-mudahan kerja keras jeung kadewasaan kuring ayeuna bisa aya hasilna. Hésé, naon anu kudu dilakukeun ku acara korona ieu. seueur pisan tanggung jawab anu kedah urang laksanakeun. unggal poe mikir. Sanaos sibuk waktos damel langkung fleksibel, urang tiasa angkat ka kantor iraha waé sareng balik ka bumi iraha waé.Kudu pinter ningali kasempetan.Ieu mah sakadar babagi, meureun carita atawa pandangan batur mah béda jeung kuring. éta gampang pikeun nampa ogé. kudu bisa milah-milh yen ker carita wirausaha.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4663", "text": "Salah sahiji contoh tina AI (Artificial Inteligent) nyeta Machine Learning mangrupikeun ngaran umumna dilarapkeun kana sababaraha téknik Bayesian anu dianggo pikeun pangakuan pola jeung diajar. Dina inti na, machine learning mangrupakeun kumpulan algoritma nu bisa diajar tina tur nyieun prediksi dumasar kana data dirékam, ngaoptimalkeun hiji fungsi utilitas dibikeun dina kateupastian, nimba struktur data disumputkeun, sarta mengklasifikasikan data kana déskripsi ringkes. Pembelajaran mesin sering dianggo nalika program eksplisit teuing kagok atanapi teu praktis. Beda sareng kode komputer umum anu dikembangkeun ku pamekar parangkat lunak pikeun nyobian ngahasilkeun kaluaran khusus kode program dumasar kana input anu disayogikeun, pembelajaran mesin ngagunakeun data pikeun ngahasilkeun kode statistik (model ML), anu bakal nampilkeun \"hasil anu leres\" dumasar kana pola anu dikenal tina conto. . inputs saméméhna (jeung outputs, lamun sakabeh téhnik anu diawasan). Katepatan model ML dumasar utamana kana kualitas sareng kuantitas data sajarah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1948", "text": "Gunung Ciremai jalur sadarehe teu sadaya jelema mampuh nanjak. Nanjak gunung teu gampang, merlukeun persiapan ati, pangaweruh méntal jeung fisik alus ngeunaan rupa bumi, sarta sahenteuna pamahaman dasar survival. Cuaca di gunung téh acak-acakan, sakapeung panas, hujan, atawa ribut, jadi Anjeun bisa yakin yén gunung teu dianjurkeun pikeun jalma anu teu hayang ngaganggu eta. Sagedengeun ti eta, gunung teh estu (relatif) tiis, teu cocog pikeun nu teu resep atawa alergi ka dinya. Pikeun ngahontal puncak henteu gampang, urang kedah ngorbankeun kesang, nahan sare, nahan kanyeri, sareng ngirangan égo. Motivasi sareng doa mangrupikeun konci pikeun kéngingkeun éta, sareng sok bayangkeun yén pandangan anu indah ngantosan di dinya. Tungtungna, naon anu anjeun perjuangkeun moal sia-sia.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "563", "text": "Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tradisional khas Sunda. Karinding dijieun tina palapah kawung jeung awi. Mimitina alat musik ieu loba dipake jang ngusir hama di sawah da baheula mah mayoritas masarakat Sunda teh patani jadi ku sabab kitu make alat musik karinding lantaran sora tina musik ieu bisa ngahasilkeun gelombang sora nu bisa ngusir hama ngajauhan sawah. Karinding dimaenkeun ku cara ditiup. Carana ku nempelkeun ruas tengah karinding di hareupeun lambey nu rada kabuka. Tuluy digebug lalaunan si tungtung ruas paling katuhu karinding ku hiji ramo nepikeun ka jarum/senar karinding ngageter teratur. Sora nu dikaluarkeun bakal gumantung tina rongga lambey, nafas, jeung letah ti pamaenna. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5889", "text": "Hadirna kacanggihan teknologi teh jadi hiji hal anu positif pisan sabab kagunaan nana teh bisa ngabantuan manusa. Sagala pagawean teh jadi leuwih praktis dilakukeun, komo nginget katerbatasan kaahlian manusa dina sababaraha hal, misalna dina packing kemasan nu kudu rapet jiga kaleng atawa plastik, mantak butuh robot jang ngalakukeun nana. Dina kahirupan sapopoe ge deuihan geus aya contoh leutikna dina ranah rumah tangga. Misalna jiga alat rumah tangga nu geus digantikeun tanagana make robot jiga alat beberesih, alat masak, jeung sajabana. Ku kituna, urang teh ulah ngan saukur mandang ti hiji sisi, kudu mandang sisi positifna oge sabab emang bisa pisan ngabantuan tanaga manusa nu terbatas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4727", "text": "Gawe di kantoran umum na sarua, paling aya beda na gumantung tina parusahaan atawa tempat urang di gawena anu nyasuaikeun jeung paraturan paraturan di unggal parusahaan na. Gawe kantoran umum na sarua di gawe na 8 jam, mangkat isuk balik na burit ngaguakeun pakean anu rapih jeung sopan. Rek awewe rek lalaki eweuh beda na lamun di gawe di kantor. Pagawean di kantor na naon nya rupa rupa sagala gumantung kana posisi jeug departemen urang di gawe na. Misalkeun urang di gawe di bagean marketing tugas urang nya kudu loba loba ngalakukeun kerja sama supaya loba jelema anu tertarik ka parusahaan sangkat produk parusahaan laku ka jual anu tungtuna pasti ngajorong kana kamajuan parusahaan ameh meunangkeun kauntungan anu maksimal.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "592", "text": "Kecap tutug nu aya dina ngaran sangu tutug oncom artina teh ditumbuk. Sangu tutug oncom teh nyaeta sangu nu dicampur jeung oncom nu ditumbuk. Sangu tutug oncom kudu disajikeun dina kondisi haneut. Rasana anu asin, gurih, jeung pulen, karasa pisan pas sangu digayem dina baham. Ulah poho, bisa ditambahan oge ku sambel goang, nyaeta sambel cabe hejo nu dicampur jeung uyah saeutik. Sangu tutug oncom oge bisa didahar jeung lauk tambahan siga lauk asin, endog dadar, jeung hayam goreng sarta bonteng jang lalaban. Aya oge nu nambahkeun jeung tempe goreng. Sangu tutug oncom kudu disajikeun langsung dina kaayaan haneut. Matakan sangu tutug oncom teu bisa didahar leuwih ti sapoe, komo deui diteundeun dina kulkas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3939", "text": "Wisata alam waduk jatiluhur nyaeta wisata nu cukup terkenal di puwakarta, awal na waduk jatiluhur teh lain tempat wisata alam tapi ku sabab pemandangan na nu endah jadi loba batur nu teratarik keur ulin ka jatilihur. Jadi lah waduk jatiluhur jadi tempat wisata alam di purwakarta, tapi teu gara gara jadi tempat wisata alam tetep teu ngubah fungsi na jadi waduk nu ngabangkitkeun listrik di pulaijawa jeung bali. Salian jadi temapt wsata alam waduk jatilihur oge di manfaatleun ku warga sakitar pikeun usaha nyieun tambang jeung budidaya lauk, loba lauk sagala jenis air tawar nu di budi daya di waduk jatilihur. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "469", "text": "Salian ti meunangkeun pahala, maca alquran oge ngadatangkeun loba mangpaat jeung kautamaan boh di dunya atawa di akherat. Sababaraha kautamaan maca alquran, bisa jadi obat anu ampuh pas keur gering atawa keur sedih. Kautamaan sejen nyaeta jadi pituduh pikeun jelema jang menuju kabagjaan di dunya oge di akherat. Jadi maca alquran dianjurkeun pisan. Kautamaan nu sejenna nyaeta maca alqutan meunangkeun ganjaran jeung dilipat gandakan jadi 10 kasaean. Saha wae nu maca alquran boh ngarti atawa henteu, manehna bakal meunangkeun ganjaran pahala sakumaha nu geus dijangjikeun. Sedengkeun kasaean bakal ngahapus kasalahan. Maca Alquran oge ngadatangkeun syafaat. Masih loba deui kautamaan maca alquran nu bisa ngamotivasi hiji jelema jang ngalobakeun maca Alquran.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5761", "text": "Dina masa pengenalan peserta didik baru teh atawa nu sering disebut oge ospek, sok dilaksanakeun tilu poe dina tilu fase. Poe mimiti biasana diayakeun upacara pembukaan, tuluy murid baru dikumpulkeun dina lapangan atawa aula gedung jang narima pematerian. Pematerian poe mimiti biasana ngeunaan lingkungan sakola, budaya belajar, jeung kenalan guru-guru. Poe kadua nyaeta asup ka tahap mulai loba dibere tugas, biasana tugas kelompok supaya bisa saling kenal jeung babaturan anyar. Mun poe katilu mah sok diayakeun demo ekskul nyaeta penampilan atawa pertunjukkan ti unggal ekskul atawa organisasi nu aya di sakola eta. Biasana mah sok bari muka pendaftaran jang murid baru.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7153", "text": "Kujang nyaeta senjata tradisional urang Sunda di Jawa Barat. Kawas senjata tradisional lianna, kujang dijieunna tina beusi, baja jeung bahan pamor. Bentukna rada pondok sareng melengkung. Panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm. Sababaraha aya nu nyebatkeun, kujang mimiti dijieun dina abad ka-8 atawa ka-9. Nu sejenna nyebutkeun yen kujang mimiti dijieun dina abad ka-14, nyaeta dina mangsa pamaréntahan Panjajaran dipingpin ku Prabu Siliwangi. Awalna, kujang ngan ukur alat pikeun tani. Tapi kadieunakeun fungsi kujang robah. Salian ti tani, aya kujang pusaka. Kujang janten lambang kaagungan. Aya oge kujang pikeun perang, jeung kujang pikeun pakakas upacara. Sedengkeun kujang pikeun tatanen disebut kujang pamungkas.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8089", "text": "Aya saurang nonoman ngaranna Dani anu resep pisan kana kaulinan Tetris. Kusabab ti budak leutik, anjeunna geus mindeng maen game dina konsol game nu dipinoga kulawargana, sarta anjeunna terus maenkeun eta nepi ka dewasa. Dani henteu ngan ukur maen kaulinan Tetris pikeun senang-senang, tapi anjeunna oge diajar strategi sareng teknik pikeun ngahontal skor pangluhurna. Anjeunna malah nyandak bagian dina kompetisi kaulinan Tetris di tingkat lokal jeung nasional, sarta junun meunang ranking geulis alus. Iraha wae Dani maenkeun kaulinan Tetris, anjeunna salawasna fokus pinuh sarta kalibet. Anjeunna ngarasa kapuasan jeung kabagjaan nalika anjeunna junun megatkeun catetan skor sorangan atawa ngelehkeun lawan tangguh dina kompetisi.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4658", "text": "Téhnologi berkelanjutan Pangadeg jeung futuris geopolitik di Center for Innovating the Future (CIF), Abishur Prakash nyatakeun yén sakumna widang kelestarian berbasis téknologi bakal maénkeun peran anu penting taun ieu. Proyék énergi bersih, sapertos nyandak listrik tanaga surya ti Afrika ka Éropa bakal maju ku 2023, nambihan dimensi énggal kana perang énergi global. Téknologi sustainable atanapi anu disebut ogé téknologi héjo nyaéta téknologi anu diciptakeun ku merhatikeun dampak jangka panjang sareng jangka pondok tina hiji hal ka lingkungan aya loba contoh tehnologi berkelanjutan saperti téknologi héjo anu keur mulai di galakeun anu mere urang harepan pikeun ngabalikeun épék perubahan iklim sareng polusi. Hal ieu ogé ngabuktikeun yén kamekaran téknologi canggih lain ngan ukur ngagampangkeun manusa, tapi ogé boga peran dina ngajaga lingkungan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8855", "text": "Laptop anu ayeuna dipiboga ku Nisa seueur bagian anu ruksak sareng teu tiasa dianggo, sapertos batré anu bocor, sareng sababaraha tombol keyboard anu teu tiasa dianggo deui. Ayeuna Nisa peryogi laptop anu saé pikeun nyerat skripsi. Tapi sanajan kitu, Nisa moal ngarenghik jeung menta ka bapana meuli nu anyar, sabab kolotna ogé lain ti kulawarga anu beunghar. Kusabab kitu Nisa milu pasanggiri nulis carita pondok barudak, anu hadiahna nyaeta laptop. Kalayan motivasi anu kuat sareng kaseriusan ngiringan pasanggiri, ahirna cerpen Nisa kalebet. Sareng dina dinten diumumkeun para juara, bagja pisan Nisa kusabab anjeunna juara kahiji, sareng ogé tiasa kéngingkeun laptop anu diimpikeun salila ieu.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3039", "text": "naon perasaan munggaran kuring salaku pangusaha? Reuwas. Anjeun kedah ngartos salaku pangusaha sok aya laju artos. Salaki kuring nu geus biasa jadi wiraswasta, mikir, mun aya duit pangangguran, leuwih hade jadi duit tinimbang disetorkeun, kan? Ieu mangrupikeun pola pikir pengusaha rata-rata. 180 derajat béda jeung ajaran kulawarga urang. tapi urang geus meunang tengah eta jadi teu jadi masalah keur kuring. capé, kami boga muatan kalawan salawasna mikir naon anu kudu dipigawé pikeun maju usaha. deui jeung deui. euweuh sabtu atawa Minggu libur. Kerja teh susah. teu aya deui nu bisa bersantai sembarangan, urang bener nyobian. SIEUN, Kudu wawuh jeung hutang jeung piutang. keur kuring nu dididik teu kudu boga hutang atawa saré teu puguh. ieu rada pikasieuneun pikeun kuring\nKudu bisa diajar sagalana ngeunaan bank\nUrang teu bisa ngalakukeun bodo, sabab nyawa karyawan urang kurang leuwih tanggung jawab urang", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5898", "text": "Di Indonesia, pamarentah nuju ngembangkeun teknologi anyar dina aspek kandaraan. Tujuanna supaya bisa ngurangan angka kamacetan di Indonesia nu didominasi ku lobana kendaraan pribadi. Salah sahiji nu dikembangkeunna nyaeta motor jeung mobil nu ngangge daya tina listrik, jadi sanes deui make bahan bakar fosil. Hal ieu dianggap jadi salah sahiji cara efektif nu bisa ditempuh jang ngurangan berbagai permasalahan, lain wae ngalerai kamacetan, tapi oge diyakini bisa leuwih ramah lingkungan ku ngurangan polusi udara. Kandaraan nu make daya listrik teh bisa ngeusi daya di spot-spot nu nyadiakeun mesin charging daya, misalna nu tos aya teh di Indomaret jeung sababaraha tempat. Hal ieu teh disambut baik ku masyarakat, komo ku ayana subsidi ti pamarentah mah bakal ngamudahkeun perkembangannana di masyarakatna!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5043", "text": "Saprak aya Covid-19, kabutuhan kana healing teh jadi prioritas unggal jalma. Unggal Minggu teh sok dipake jang liburan ka tempat wisata. Wisata na teh biasana nu seueur dipanggihan dina sosial media, lantaran viral tea. Salah sahiji nu nuju rame jadi bahan obrolan dina sosmed nyaeta wisata Pantai Cijeruk. Pantai ieu nyayogikeun kaendahan pasir bodas jeung hamparan hejo jujukutan di sisi pantaina. Karang-karang na ge ting pucunghul tina laut, kaciri endah ngahias sisi lautna. Pasir na meuni ngeplak bodas jeung beresih pisan. Tah, pantai ieu teh nembe dibuka saban covid-19, jadi can seueur nu apaleun. Meungpeung sepi keneh, hayu ah urang liburan kaditu! bisi robah deui kaberesihan nana mun tos rame mah. Hayu gaskeun!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7449", "text": "Ayana televisi di Indonesia dimimitian kira-kira taun 1940-an. Basa eta, ngan aya televisi hideung bodas. Televisi hideung bodas ngalengkepan media komunikasi anu tos aya, nyaeta radio. Sanggeus jaman televisi hideung bodas, televisi anu warnaan mimiti asup taun 1960-an. Kaping 7 Agustus 1967 hiji pausahaan pabrik televisi ti Perancis hoyong mantuan lamun Indonesia bade nyiarkeun siaran TV warnaan. Basa eta TV warna direncanakeun bakal aya di Indonesia dina awal taun 1968. Tapi dina kanyataanna, TV warna ieu kakara tiasa nembongkeun kamajuan dina taun 1975. Televisi warna sareng siaran anu tiasa ditongton ku pamirsa di Jakarta sareng Bandung diperkirakeun bakal mulai disiarkeun dina taun 1977.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2240", "text": "Nalika Idul Adha datang, kuring salah sahiji jalma anu nungguan pikeun meunangkeun jatah daging qurban. Kusabab kuring teu bisa jeung teu mampuh meuli daging . Pas kenging jatah daging qurban mah asa bingah pisan, MasyaAllah. Sakali-kali kuring teu meunang jatah daging qurban boh lantaran kaliwatan atawa teu kanyahoan, asa hanjelu pisan, kasempetan kuring ngadahar daging ngan dina sataun leungit.\n\nBaheula mah teu bisa masak rendang atawa kadaharan olahan nu hese-hese, jadi ngan saderhana sate daging, tuluy ditambahan uyah jeung kecap tuluy digoreng make kayu bakar, nyieun saté. Rasana, masyaAllah, ngeunah pisan sabab kuring jarang ngadahar atawa malah bisa disebutkeun yen kuring ampir teu bisa mampuh saté. Salian ti nikmat, kuring ogé ngarasa bagja pisan bisa ngarasakeun Idul Adha jeung dahar daging jeung dulur-dulur sanajan kolotna teu deukeut jeung kuring.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7928", "text": "Unggal pendaki pamula kudu boga kaahlian survival. Survival mangrupikeun kaayaan dimana pendaki kedah ngajaga tetep hirup sanajan cicing di alam liar sateuacan sumping tim anu bakal nyalametkeun. Kaayaan survival ieu tiasa kaalaman ku pendaki anu kasasab, beak logistik, nepi ka pendaki anu kajebak dina badai. Urang salaku pendaki biasana henteu terang musibah naon anu bakal kajadian di gunung. Ku alatan eta, loba pendaki senior ngingetkeun pendaki junior pikeun neuleuman kaahlian survival samemeh naek ka gunung. Langkung gancang pendaki sadar yen manehna aya dina kaayaan survival, langkung gancang anjeunna bakal kaluar tina kaayaan survival eta lantaran loba pendaki pemula anu kasasab di gunung, tapi manehna ngarasa teu kasasab. Balukarna, manehna kasasar jauh teuing ka jero leuweung.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9327", "text": "Lamun aya tatangga nu butuh pitulung, ulah ragu nginjeumkeun leungeun. Mantuan ku naon wae anu anjeun tiasa masihan, nurutkeun kamampuhan. Ngabagikeun dina kaayaan anu sempit tiasa ngajantenkeun tatangga anjeun ngabantosan pisan. Bisa jadi, lamun hiji poé anjeun katarajang musibah, tatangga séjén baris mantuan anjeun. Bayangkeun kumaha lamun urang anu keur butuh kana pitulung, tapi euweuh tatangga anu hayang nulungan, bakal nyeri hate pisan. Sabab samemeh jeung baraya, menta tulung teh kudu ka tatangga heula, nu imahna pangdeukeutna jeung urang. Ngajungjung étika téh kacida pentingna sangkan hubungan hadé jeung tatangga tetep kajaga. Ulah ngantep anjeun ngamangpaatkeun kahadean anu dipidangkeun ku tatangga anjeun pikeun ngalakukeun naon waé anu anjeun pikahoyong.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7362", "text": "Basa can apal kana voli, abdi saeng rerencangan di SD baheula resep ulin bola leungeun. Sasuai jeung namina, olah raga ieu dimaenkeun make leungeun. Biasana arurang ulin make bola saaya-aya. Lamun ayana bola karet, urang make bola karet. Tapi lamun ayana bola palastik anu sok dipake ku budak lalaki maen bola biasa, urang oge sok minjeum bola palastik eta. Tapi paling rame mah lamun ngangge bola karet anu tiasa mantul. Basa SD mah arurang ulin bola leungeun teu make aturan anu seriu serius teuing, pokonamah tinggal kumaha carana asupkeun bola kanu gawang make leungeun, teu meunang make suku atawa hulu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9445", "text": "Tangtosna, urang parantos terang yen kadaharan laut mangrupikeun sumber protein anu sae pikeun awak. Nanging, kumaha cara anu pangsaena pikeun ngolah seafood supados kandungan gizina tetep kajaga? Salah sahiji cara anu pangsaena nyaeta ngolah kadaharan laut ku cara dibakar. Ngolah kadaharan laut ku cara ngabakar ngabogaan sababaraha kaunggulan dibandingkeun jeung metode sejenna kayaning ngagoreng atawa ngolah ku cara sejenna. Kahiji, cara ieu leuwih sehat sabab henteu ngagunakeun minyak atawa tipung pikeun ngagoreng. Kadua, cara ieu oge leuwih babari sabab merlukeun saeutik atawa euweuh bahan tambahan saperti saos atawa bungbu. Katilu, cara ieu oge leuwih gancang sabab teu kudu ngadagoan lila pikeun minyak panas atawa bahan sejen siap dipake. Jadi, hayu urang cobian ngolah seafood ku cara dibakar sangkan urang bisa ngarasakeun mangpaat nutrisi anu leuwih.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6749", "text": "Sateuacan mesen hotel aya sababaraha cara supados urang tiasa mesen hotel anu mirah. Aya tips anu kedah dilakukeun, Kahiji urang kedah milarian informasi ngeunaan hotel anu murah dina internet, urang tiasa maca testomoni ti pelanggan anu kantos mondok do eta hotel, teras urang tiasa ngabandingkeun pangaos sababaraha hotel. Kadua urang kedah milih hotel anu saluyu jeung kabtuhan jeung anggaran anu urang gaduh. Katilu urang tiasa nelepon hotel anu bade dituju kanggo mastikeun harga sareng kamar na teu pinuh. Kaopat urang tiasa langsung mesen, ngisi formulir anu aya di situs web hotelna. kalima urang tiasa langsung mayar sasuai jeung pangaosna anu tos ditentukeun. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2312", "text": "Dina milih jenis kelamin hewan qurban, nepi ka ayeuna can aya spésifikasi atawa pamadegan utama ngeunaan pilihan jenis kelamin ieu. Salian ti katangtuan di luhur, hal-hal anu kudu diperhatikeun dina milih hewan qurban:\r\nSato qurban teh milik jalma anu ngakurbankeun atawa dihalalkeun (dihalalkeun) pikeun manehna ngakurbankeunana. Ku sabab kitu, teu sah kurban sato nu geus dirampok jeung dipaling, atawa sato milik dua jalma anu ngahiji iwal ti idin ti pasangan union.\r\nHenteu aya hubunganana sareng hak jalma sanés. Harti hak ieu nyaéta haram pikeun ngorbankeun sato gadai sareng sato warisan sateuacan harta pusaka dibagi.\r\nPeuncitan qurban kedah lumangsung dina waktos anu ditangtukeun ku syariat", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2710", "text": "Dina hal ieu, fans Inggris ogé katelah hooligans kusabab lampah brutal maranéhna nalika ngarojong klub maén maranéhanana. Ku alatan éta, pamaréntah nyieun hiji perwira misah ti pulisi disebut steward anu fungsina salaku tukang sasapu. Korélasina nyaéta kurangna ayana bonek sacara otomatis ngurangan potensi karusuhan, tapi pikeun sababaraha alesan aya semprotan gas cimata ngadadak ditujukeun ka para pendukung. Sanaos sacara kronologis écés yén suporter ngan ukur hoyong ngedalkeun émosi ka pamaén. Katingali ogé, sanggeus laga réngsé, pamaén asup ka markasna dituturkeun ku suporter anu balik deui ka tribun masing-masing. Ngan kusabab sababaraha alesan aya gas cimata ngadadak ka arah tribun. Meureun ieu aksi téh keur ngabagi-bagi massa siga démo di jalan. Para demonstran dina hal ieu aya dina rohangan anu kabuka sahingga kasempetan pikeun ngajauhan tina tembakan gas cimata éta mungkin pisan. Béda jeung suporter anu aya di stadion utamana kalayan kapasitas kaleuleuwihan sarta aksés kaluar minimal.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5012", "text": "Batur mah sok mareuli kerang bulu teh nu make bumbu kentel jiga bumbu koneng atawa bumbu padang. Ah ai kuring mah tara make bumbu sagala rupa, cukup ku uyah we. Kerang bulu na teh dikulub salila lima belas menit tuluy tong poho cai kuluban nana make uyah supaya aya rasaan kana daging kerangna. Tah, rasa nu original eta teh malah leuwih sedep tibatan direka-reka ku bumbu nu sagala kentel. Pira dikulub hungkul jiga kitu ge da rasa daging na mah teu bau hanyir atawa liat, malahan leuwih empuk. Nu kudu diperhatikeun nyaeta lila ngagodogna. Mun sakeudeung teuing mah sok rada bau hanyir, mun lila teuing oge justru kalah liat jeung hanyir. Mantak ngolah kerang mah kudu apal waktu anu pas, ulah kurang ulah leuwih. Tah, supaya kerang na teh teu bau hanyir jeung ngeunah, lima belas menit we ngagodogna, tong lila teuing. Sok geura cobian, pasti bakal beda rasana!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5316", "text": "Mun bulan puasa mah, di Masjid Raya Unpad atau nu sering disebut MRU, sok aya babagi takjil gratis dina raraga buka bersama. Tah buka bersama atawa takjil gratis ieu teh diayakeun na di basement MRU. Biasana dipasihan sekat sabeulah jeung pameget, sabeulah deui jeung istri. Mun sapuluh menit deui rek adzan magrib teh etatakjilna sok dijajarkeun di unggal baris supaya rapih jeung kabagean sadayana. Takjilna sok aya kolek atawa sop buah, ager, gogorengan, jeung cai herang. Takjilna teh sok disayogikeun dina piring. Sapiring teh sok ku opatan. Mun tos adzan magrib teh sok diserbu eta takjil ku mahasiswa, tuluy mun beresna sok langsung diarahkeun jang ngalaksanakeun sholat maghrib berjamaah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6730", "text": "Nyobian suasana Bali teu kedah jauh-jauh datang ka Bali. Di Bandung oge aya tempat anu nyuguhkeun suasana kawas di Bali. Tinggal datang ka daerah Cimenyan, Padasuka. Namina Bukit Saung Bambu. Villa ieu ngusung konsep padesaan. Kamar-kamar di villa ieu dijieun ti awi atawa sok disebut cottage nu sok aya di Bali. Di payuneun cottage langsung disuguhkeun kolam renang. Aya oge Imah Jandela anu lokasina ditukangeun cottage. Kamar di dieu aya dua lante, lante kahiji saung anu kabuka jeung aya kamar cai na. Di bagian luhur di lantai dua nyaeta kamar anu tiasa dipake ku duaan, janten cocok kanggo panganten anyar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6478", "text": "Salah sahiji hal nu kudu dilakukeun sadini mungkin teh nyaeta perihal dana darurat. Dana darurat teh mangrupakeun dana nu disisihkeun jang kaperluan dina masa darurat, jiga geuring, kacilakaan, kana bencana, jeung sajabana. Dana darurat teh bisa disimpen nyalira atawa di tabung di bank. Besaran dana darurat teh bebeas kumaha kamampuan sorangan. Euweuh katentuan khusus ngeunaan dana darurat, ngan emang ieu mah sebagai bentuk inisiatif dina ngahadapi sagala kemungkinan nu terjadi dina kahirupan. Dana darurat teh bisa oge digunakeun jang nu lain, misalna hape ruksak, motor ruksak, jeung sajabana nu dibutuhkeun pisan fungsina. Mantakna, penting pisan nyiapkeun dana darurat ti ayeuna mula, ku cara nyisihkeun sanagean penghasilan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7072", "text": "Unggal taun, Kristen Protestan jeung Katolik ngarayakeun Paskah. Poe eta dihartikeun minangka poe panghampura pikeun urang Kristen ka Allah anu geus daek ninggalkeun dunya pikeun nyalametkeun kahirupan umat-Na. Umat kristen teu ngan ngagungkeun paskah hungkul, aya loba perayaan anu sejen na. Paskah mangrupakeun momen kanggo mepeling pupusna Yesus Kristus Juru salamet ka sawarga. Paskah nyaeta poe meunangna Yesus Kristus tina maot. Anjeunna ngorbankeun dirina pikeun nebus kasalahan sareng dosa umat manusa. Kabangkitan Yesus masihan harepan ka umat-Na anu parantos ditebus ku getih Yesus. Paskah nyaeta tilu por sanggeus Yesus Kristus pupus dina kayu salib. Hartina, poe kebangkitan Yesus teh hirup langgeng. Ieu hirup langgeng geus dibikeun ka umat manusa. Perayaan Paskah dilaksanakeun unggal April. Perayaan Paskah dilaksanakeun ti Minggu munggaran saatos bulan purnama munggaran atanapi saatos titik musim semi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1835", "text": "Aya jajanan-jajanan anu dipikameumeut ku ibu-ibu. Jajanan ieu mindeng dilabélan salaku nyieun anjeun gering atawa malah boros. Muhun, anjeun pasti geus mindeng ngadéngé ngeunaan ibu-ibu ngalarang barudak maranéhanana dahar snacks ieu. Pikeun murangkalih, jajanan ieu kedah raos pisan nikmat. Utamana lamun didahar bari ulin soré jeung babaturan atawa sanggeus sakola. Kasenangan teu aya bandinganana, deh. Nanging, pikeun ibu-ibu, jinis jajanan ieu tiasa nyentuh sensitipitas émosionalna. Alesanana, jajanan sareng saos ieu dianggap kurang higienis. Leuwih ti éta, dikabarkan yén saos anu dianggo ku para penjual ieu asalna tina bahan anu teu séhat atanapi diolah ku cara anu salah. Ibu-ibu bakal langsung mikir yén jajanan ieu tiasa nyababkeun manehna gering.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "565", "text": "Lamun ceuk urang mah alat musik tradisional teh kudu disosialisasikeun ka sakola-sakola ngarah barudak teh apal kana budaya daerahna sorangan. Sabab maranehna nu bakal ngawarisi budaya daerahna, lamun ti keur leutik teu apal kumaha rek bisa. Penting tiap sakola mibogaan alat musik daerah teh sabab barudak sakola meh bisa dialajar jeung bisa ninggali wujud aslina si alat musik tradisional eta. Tapi sakapeung mah henteu tiap sakola aya nu bisa ngajarkeun guruna, nah ieu peran ti pamarentah mun bisa mah aya guru khusus jang ngajarkeunna, hiji pangajar bisa ngajar ka tiap-tiap sakola nu aya di sa-kacamatan. Jadi guru pangajar ieu khusus jang ngajarkeun alat musik tradisional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5061", "text": "Cara naek kareta gantung atawa gondola di Pantai Timang. Mimiti, pengunjung bisa datang langsung ka tempat wisata Pantai Timang. Tah mun hoyong tuluy ka Pantai Watu, pengunjung kedah naek gondola atawa bisa oge lewat jembatan nu ekstrim pisan. Tah seuseueurna mah naek gondola, da sakalian nyobian sensasi tegangna. Mesen gondola bisa langsung di tempatna, atawa bisa oge booking heula dina kontak WA. Terus mun tos mayar, pengunjung tinggal naek gondola dugi ka Pantai Watu. Sapaket gondola teh kaasup harga PP. Ti Pantai Watu, urang kedah nungguan heula gondola na datang, karek bisa uih deui ka Pantai Timang. Kumaha? Gampil kan cara naekna? Teu kedah booking sabab sieun kapinuhan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1535", "text": "Unggal poe urang ngusahakeun panggih jeung kabogoh, tapi mun duanana sibuk biasana nyempetkeun di akhir pekan. Pokona mah pasti panggih dina saminggu eta. Dina panggihna oge mindengna urang nu nyampeur ka imahna bari izin ka indung bapakna, tapi sakapeung mah mun teu kaburu ngajemput sok panggih di hiji tempat nu geus dijangjikeun. Arurang resep momotoran menikmati suasana komo pas peuting, bari ngabaso di sisi jalan, nyarita ngeunaan sapopoe kumaha. Sanajan ngadahar baso di sisi jalan cukup sederhana, tapi nu penting mah momenna. Dina mayar dahareun mindengna mah urang nu mayar, tapi mun keur teu boga duit sok dibayarkeun oge ku manehanana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7916", "text": "Aya salah sahiji hadis ti Kanjeng Nabi anu nyebatkeun yen kanggo saha wae jalmi anu iman kedah ngamuliakeun tatanggi. Anu dimaksud ku ngamuliakeun tatanggi teh nyaeta kedah bageur ka tatanggi, silih asih jeung silih asuh, silih ngahampurakeun jeung silih emutan ka Alloh. Aya hiji carita ngeunaan kahirupan sareng tatanggi. Hiji poe aya saurang anu ninggalkeun imahna pasnuju digawe, tapi pas manehna balik deui ka imah manehna ningal tembok tina batu alam anu aya di sisi imahna geus dicet hideung kabehanna na. Manehna reuwas lantaran eta teh batu alam warisan bapana. Pas ditilik epekteh eta tembok dicet ku tatanggina anu boga sesa cet supados teu lebar ceunah. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9362", "text": "Salian ti ngagunakeun cai, urang ogé tiasa nganggo hawa salaku jalan pikeun melak pepelakan tanpa nganggo taneuh. Akar pepelakan diantep ngagantung dina hawa tanpa ngagunakeun taneuh sapertos metodeu sanés. Akar gantung kalayan metode aeroponik ieu disemprot nganggo campuran cai sareng larutan nutrisi supados nyerep gizi dina pepelakan lumangsung langsung tanpa halangan. Hasilna, pepelakan tiasa tumbuh langkung gancang sareng ngahasilkeun hasil anu langkung luhur. Pikeun ngagunakeun metode aeroponik ieu, urang tiasa nganggo styrofoam atanapi gabus anu parantos seueur liang. Kalayan ngagunakeun busa, urang tiasa nempelkeun siki pepelakan anu parantos ditaburkeun dina unggal liang. Sapertos hidroponik, sayuran anu dipelak nganggo metode ieu kualitasna bakal leuwih saé, seger sareng rasana oge saé. Tutuwuhan anu biasa dipelak ngagunakeun metode ieu nyaéta sayuran anu umurna pondok, sapertos caisim, pakcoy, apu, kailan, kangkung, sareng sajabana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5389", "text": "Kautamaan maca Al-Qur'an di bulan ramadhan teh luar biasa ganjaran nana. Sahuruf Al-Qur'an dibaca, maka ganjaranna nyaeta 10 kali lipat pahala. Ieu jadi hal nu istimewa pisan sareng momentum nu patut pisan ku urang laksanakeun kangge panen pahala nu luar biasa. Bahkan, upami urang maca Al-Qur'an dina bulan ramadhan, urang kenging kautamaan nyaeta syafaat di akherat kelak, oge kaudahan urusan di dunia. Maca Al-Qur'an oge bisa jadi pengingat umat muslim supaya ngajauhan hal mubadzir jeung senantiasa ngalaksanakeun kebaikan. Hal ieu oge jadi salah sahiji penenang hate urang dikala urang keur kalut atawa keur sedih supaya tetep inget ka Gusti Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8821", "text": "Urang tiasa ngadamel alat-alat olah raga sederhana kalayan bahan anu tiasa urang mendakan di bumi. Salah sahijina nyaéta nyieun barbel atawa beban anu biasana dipaké pikeun ngalatih otot leungeun. Carana, siapkeun heula botol plastik 600ml anu kosong tur beresih, mun masih keneh kotor, leuwih sae dikumbah heula. Kadua, eusian cai kana botol nepi ka pinuh. Saatos pinuh, urang tiasa langsung dianggo pikeun olahraga. Lakukeun gerakan muka sareng nutup siku ku cara ngabengkokkeun sababaraha kali. Upami urang peryogi beban anu langkung beurat, urang tiasa nganggo galon anu dianggo sareng ngeusian cai. Kalayan ieu, urang tiasa ngahémat biaya mésér alat-alat olahraga, sareng ngajadikeun barang-barang anu dianggo janten barang anu mangpaat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6616", "text": "Urang Sunda resep pisan ngadamel rupi-rupi kadaharan anu bahanna ti tipung aci, tapi cara ngolahna beda-beda. Lamun tadi urang tos ngabahas cireng, ayeuna urang ngabahas cipuk. Cipuk atawa Aci Kurupuk mangrupakeun kadaharan anu bahan ngadamelna gampil pisan, kantun nyiapkeun aci jeung kurupuk. Kanggo ngadamel kadaharan ieu urang kedah masak dua kali, kahiji diseupan, kadua digoreng anu matak ngajadikeun aci jeung kurupuk ngahiji. Kurupuk nu dipake dina dahareun ieu biasana kurupuk warna-warni, aya nu warna bereum, hejo, koneng, jeung bodas. Cipuk biasana dibentuk kotak atawa buleud. Sami sapertos cireng, cipuk anu tos digoreng janten garing di luarna, tapi lembut di jerona.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2677", "text": "Ti mimiti kuring hayang pisan miluan pencinta alam waktu kuring di SMA, sabab kulawarga kuring (utamana ti pihak bapa) geus loba pencinta alam anu miluan pencinta alam jaman baheula. Tuturkeun nu hiji. Seuseueurna waktosna kumargi kedah ngalakukeun latihan fisik diteruskeun ku \"tatar\" alias ditempa mental ku senior. Meureun keur standar kiwari rada ekstrim. Aya anu nyebatkeun \"grading\" henteu aya gunana, éta ngan ukur ngulang siklus bahaya senioritas. Sanes kitu, di \"Tatar Sunda\" teh ngajantenkeun urang kenal sareng akur. Utamana lamun \"tatar sunda\" keur lapar salamet di leuweung Gunung Salak, mun keur usum hujan. komo deui pas eta kaadaanna poek loba halimun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "81", "text": "Di hareupeun imah urang, aya tatangkalan buah jambu batu. Dina sataun aya kana 4 nepika 5 kali panen. Urang nu sok naek tangkalna, da jago teterekelanna. Pas naek sok mekel keresek oge, ngarah babari mungkusna. Buah jambu kudu buru-buru dialaan, da sok mindeng didahar ku lalay, jadina sok kadahar, jeung rujit kana teras buah urutna teh sok maruragan sorangan. Lamun meunang loba, sok dibere oge tatangga, atawa dulur-dulur jauh utamana lanceuk indung. Buah jambu sabenerna tinggal di dahar, tapi dikumbah heula, jadi teu hese ngolahna. Tapi urang mah sok dijieun manisan, dipisahkeun siki jeung kulitna. Nu dijieun manisan teh kulitna. Sakapeung mah sok dijieun jus oge, jambuna di belender heula, tuluy diasupkeun kana kulkas ngameh tiis.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4638", "text": "Sajarah Robot di mulai ti Gagasan ngarancang jeung ngawangun sababaraha jinis mahluk, atawa alat anu tiasa ngalaksanakeun tugas anu beurat atanapi diulang-ulang, ku kituna ngagampangkeun beban umat manusa, ti jaman baheula. Ti jaman Greco-Hellenistic, sababaraha alat ieu, disebut automata, geus dirancang jeung fabricated ku inventors akalna, milik sababaraha peradaban béda leuwih abad. Istilah \"automata\" utamana nujul kana alat kawas manusa, sedengkeun istilah \"robot\" miboga harti leuwih umum. Asal kecap \"robot\" dina waktos ayeuna asalna tina basa Czech Bhaasa kecap \"robota\", anu hartosna \"kerja keras\" atanapi \"kerja keras\". Istilah ieu diwanohkeun ku panulis Ceko, Karel apek. Kecap \"Robotics\" munggaran dipaké ku Isaac Asimov dina novél na \"Runaround\", nu ieu filmed handapeun judul \"Kuring, Robot\". Dina novelna, anjeunna netepkeun tilu aturan ngeunaan interaksi robot sareng manusa. Aturan ieu engké dingaranan tilu Hukum Robotics. Industri Robotika parantos janten penting pisan dina abad ka tukang. Mimitina tina \"Roboti Industri\" tiasa dilacak dugi ka taun 1950-an, sanaos sababaraha jinis otomatisasi di lingkungan industri mimiti muncul ti jaman Revolusi Industri.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5479", "text": "Salian ti gamelan jeung angklung, sasando oge jadi salah sahiji alat musik tradisional nu berhasil diakui UNESCO jeug ditetapkeun jadi warisan budaya dunia. Sasando nyaeta alat musik tradisional nu asalna ti pulau Rote, Nusa Tenggara Timur. Cara ngamainkeun alat musik ieu nyaeta ku dipetik. Bentuk sasando kabilang unik, mirip jeung kerang tapi di tengahna disangga make awi. Senarna nabentang sakuriling awi, panjangna sarua jeung awi nu nyangga. Mun anu ngabentuk tabungna dijieun ngangge bahan daun lonta nu disusun jadi jiga wadah kerang. Sasando dipake ku masyarakat pulau Rote ti mulai abad ka tujuh. Dina perkembanganna, ayeuna sasando jadi salah sahiji warisan kabudayaan dunia nu teu kanilai. Hal ieu nunjukkeun bahwa Indonesia berhasil mawa kabudayaan nana jadi warisan dunia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5816", "text": "Cady crush soda jadi salah sahiji game karesep abdi pisan. Dina game ieu loba pisan rupa senjata jeung rupa blokna. Aya senjata nu mangrupa permen, fungsina jang ngabeledagkeun blok disekitaranna. Aya senjata nu mangrupa arah panah, tah ieu fungsina teh jang ngabeledagkeun jajaran blok sasuai arah panah. Aya oge senjata nu gambar lauk, nu fungsina jang ngabeledagkeun blok nu dituju ku lauk eta pas dileupaskeun. Cara mainna nyaeta nyaruakeun warna blok minimal tilu siki, nu ngajajar ka sisi atawa ka luhur jeung handap make sistem ngageserkeun posisi atawa tuker posisi. Level maksimalna nepi ka sarebuan sabab saking ramena ieu game.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7191", "text": "Tari Topeng gaduh ciri utama nyaeta penari bakal ngagunakeun kedok pikeun nutupan beungeutna. Unggal topeng anu digunakeun ku penari miboga ciri atawa ciri sorangan. Ieu anu nambahan kaunikan budaya tari di Indonesia. Tari anu asalna ti Cirebon ieu geus aya ti abad ka-10 Masehi. Tari ieu teras nyebar dina abad ka-10 nepi ka 16 Masehi. Dina tari topeng, para penari disebut Dalang. Hal ieu sabab unggal penari bakal maenkeun karakter atanapi karakter anu benten. Tarian biasana dipintonkeun ku saurang penari atawa sakelompok penari. Harita jaman Prabu Panji Dewa. Manehna mangrupakeun Raja Jenggala di Jawa Timur. Kadieunakeun, tari topeng mulai nyebar ka sababaraha daerah di Jawa Barat. Salah sahijina nyawta wewengkon Cirebon.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4514", "text": "Di sakolah aya ekstrakulikuler anu asup kana ekstrakulikuler olahraga lamun ceuk urang anu paling menarik jeung loba mangfaatna nyaeta ekstrakulikuler bela diri pencak silat. Baheula sigana teu loba sakola anu ngayakeun ekskul bela diri jiga kieu. Tapi sigana ayeuna mulai loba sakola sakola anu ngayakeun kusabab ayeuna loba parmentaan jeung makin loba na kasus kejahatan kriminal anu loba korban na nyaeta awewe. Jadi jaman ayeuna salaku awewe sigana geus wajib urang kudu bisa bela diri ameh bisa ngajaga diri urang sorangan tina kamungkinan kajahatan kajahatan anu ngintai urang. Di jaman kieu ges kudu na awewe bisa mandiri jeung wani ngalawan lamun aya sesuatu anu terjadi awewe ayeuna kudu bisa ngabela dirina sorangan kudu kuat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3603", "text": "Stress berkepanjangan bisa memicu sagala rupa panyakit. Nalika setrés, awak ngaleupaskeun hormon kortisol sareng adrenalin anu ngajantenkeun jantung langkung gancang. Hormon-hormon ieu ogé tiasa ngajantenkeun anjeun gampang capé.\n\nSajaba ti éta, sistim imun jalma anu kaayaan stres ogé bakal turun. Janten hésé pikeun awak ngalawan virus atanapi baktéri sareng anjeun langkung rentan ka panyakit. Aya sababaraha panyakit anu tiasa anjeun alami nalika anjeun stres, kalebet:\n\nGangguan pencernaan, sapertos bowel, colitis ulcerative, gastriris, sareng GERD\nMasalah kulit sareng rambut, sapertos rambut leungitna permanén, éksim, psoriasis, sareng jarawat\nDisfungsi seksual, sapertos éjakulasi prématur, peluh, sareng leungitna kahayang seksual\ngangguan menstruasi, ogé exacerbate gejala PMS jeung sajabana nu aya.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6525", "text": "Salah sahiji pepelakan anu babari pisan ngarawatna teh nyaeta kangkung. Kangkung teh bisa dipelak di sawah atawa di kebon, malahan ayeuna mah bisa oge dipelak dina aqua bekas. Kagunaan kangkung teh macem-macem, aya nu jang masak, aya nu jang parab iinguan, jeung sajabana. Tah ku sabab loba mangpaatna kitu, loba nu melak kangkung sabab sakali panen teh sok payu wae sadayana jeung deuih perawatanna nu babari, teu kudu modal loba jeung teu kudu waktu nu lila. Biasana binih kangkung teh sok dibeuli di toko pertanian. Sabungkus binih teh sok jadi sagaleng kangkung nu mun geus dipanen teh sok nepi ka sakarungeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "813", "text": "Squat teh nyaeta jenis olahraga nu bisa mengencangkan otot awak, kaasup pingping bagian jero, bujur, suku, jeung bitis. Squat kaasup olahraga anu hampang sabab teu merlukeun alat-alat olahraga. Cara ngalakukeunna oge babari, posisikeun awak nangtung ajeg jeung posisi suku kabuka salega cangkeng. Turunkeun awal ku ngadorong tonggong bagian tukang ka posisi leungeun nu kaangkat lurus kahareup ngameh kajaga kasaimbanganna. Tuluy disajajarkeun bagian awak handap ka lantai jeung dada bagian jero. Turunkeun awak jeung angkat deui awak dina posisi nangtung siga pas mimiti. Ngalakukeun olahraga ieu 10 menit ge geus ngos-ngosan, sabab nafas kudu diatur. Jeung beresna sok nyeuri pingping mun dileumpangkeun teh.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "114", "text": "Aya tempat nongkrong tapi tempatna teh nyumput, ayana di basemen hotel. Ngaran tempatna Conclave nu aya di Jalan Otto Iskandardinata (Vue Palace Hotel). Pas asup oge langsung ngaliwatan lulurung anu alus. Jadi konsepna teh bar jeung restoran kitu, tuluy aya live musikna oge. Didieu bukana jam 7 peuting, pokona mah beuki peuting beuki rame. Teu ngan ukur jojogetan, tapi dahareunna oge ngareunah, aya empal gentong anu dagingna teh hipu jeung bumbuna ngeunah, tuluy aya salad oge ngameh teu wareg teuing, pasta na ge ngeunah sabab spageti anu make potongan lauk tuna. Nginumanna urang nyobaan La Klevo ieu rasana siga nginum pandan latte, ngeunah jeung unik pisan. Lamun kadieu cocok mawa babaturan ngameh bisa nga DJ bareng-bareng.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "501", "text": "Upacara adat nyangku mangrupakeun upacara adat nu geus aya ti baheula keneh di Kabupaten Ciamis. Istilah Nyangku asalna tina kecap yanko nu dina bahasa Arab mah mibogaan harti ngaberesihkeun. Upacara adat Nyangku dilaksanakeun dina poe Senen atawa Kemis akhir di bulan Mulud anu maksudna mah mieling poean babar Nabi Muhammad SAW jeung mieling Prabu Sanghyang Borosngora salaku Raja Panjalu, jalmi nu nyebarkeun agama Islam di Ciamis. Proses upacara adat Nyangku dimimitian ku nyokot cai keramat dina tuju titik mata cai patilasan Prabu Sanghyang Borosngora jang meresihkeun benda pusaka. Cai nu geus dicokot tuluy disimpen di tempat khusus salila 40 poe nepikeun poe ngalaksanakeun Upacara Adat Nyangku.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4924", "text": "Z Dulur Coffee nyaeta salah sahiji kafe nu aya di jalan baru Ciawi. Basa abdi ngalangkung ka jalan baru, abdi nyimpang heula ka ieu kafe. Tempatna luas pisan, aya na di tonggoheun jalan. Jadi arurang tiasa ningali pamandangan pasawahan jeung gunung nu endah pisan. Tuangeun nu diicalna rupi-rupi. Aya tuangeun lembur aya oge tuangeun samodel cepat saji. Pokokna na mah sagala rupa tuangeun aya didieu. Harita abdi pesen hayam geprek jeung susu murni. Rasana meuni ngeunah pisan. Di Z Dulur Coffee oge aya wifi, rea colokan terminal, jeung aya life music na. Mantak betah mun nyantai didieu teh. Saberes nuang hayam geprek, abdi langsung nuluykeun uih ka imah sabab geus sore bisi kaburu kahujanan di jalan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "916", "text": "Cara milih kamera smartphone nu alus, alusna mah langsung nyobaan sacara langsung. Atawa paling henteu ge bisa ninggali atawa ngadengekeun review-review nu aya di aplikasi Youtube. Lamun kasusahan ngabedakeunna, bisa nyoba sababaraha cara. Nu kahiji cek resolusi kamera, jadi pastikeun kamera smartphone mibogaan resoulsi megapiksel anu gede, sabab beuki gede megapikselna beuki tajam oge hasil jepretanna. Nu kadua tinggali oge fitur kamerana, aya sababaraha fitur kamera nu bisa dipertimbangkeun siga panorama, slow motion, timelapse, jeung sajabana. Jadi kudu diluyukeun jeung kabutuhan. Nu terakhir kudu diperhatikeun oge stabilizer, ieu penting sabab bisa nangtukeun hasilna komo pas keur ngarekam video. Mun aya stabilizeran mah hasil ngarekam video oge moal oyag jeung bakal katinggali mulus.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3894", "text": "Sukro dahareun anu populer di sunda, loba nu resepeun sukro karna harga na nu murah, porsi na nu loba. Sukro cemilan aman lamun di dahar ku budak leutik, ibu hamil nepi ka kolot da di jieuna ngan make kacang, tipung di tambah jeung bungbu bungbu na saperti uyah, bawang bodas, pecin, penyedap rasa jeung nu lain na tuluy di goreng. Sangeunges di goreng sukro di tiriskeun supaya minyak na turun tuluy di kemas dina palstik nu kedap udara sngkan tetep garing lamun di simpen lila. Sukro oge cocok mun di jadi gaganti kurupuk bisa di campur kana mie goreng, mie kuah, nasi goreng sangking makin nikmat daharna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7084", "text": "Lamun urang teu gaduh artos seeur, urang tetep tiasa sedekah, nyaeta ku seuri atawa ngabantosan jalmi anu sanes anu nuju ngabutuhkeun bantosan. Kusabab lamun urang ngabantosan nu sanes ngamudahkeun urusan manehna, urang oge bakal dimudahkeun urusan na ku Alloh. Lamun urang teu reseo nyebarkeun kaburukan jalmi anu sanes, Alloh oge bakalan ngalindungan urang, bakalan nutupan kaburukan urang di hareupeun jalmi anu sanes. Janten, urang teh kedah bageur ka sasama, tong ngarasa sombong. Lamun aya nu ngenta tulung urang kedah ngabantosan, lantaran urang teu apal bisi we engke mah urang anu bakal ngabutuhkeun bantosan manehna. Lamun urang bageur ka batur, hirup bakal leuwih tenang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1857", "text": "Sababaraha dinten kapengker (karek aya waktos posting dinten ieu) abdi ngajak indung abdi ngadamel kueh bolu. Ema mariksa heula ka dapur, aya kénéh stok tipung. , bengkahna disimpen dina wadah plastik sareng nambihan sababaraha sendok mentega sareng gula. Saterusna kuring dititah mantuan manéhna nyampur adonan jeung mixer nu geus disiapkeun ku indung kuring.Mimitina kuring nyekel mixer ku dua leungeun, terus indung kuring ngajarkeun kuring yén hiji leungeun teh kudu nyekel mixer hiji leungen nu hiji deui na wadahna. Rada beurat, da geus biasa. Saur kuring, ngaduk adonan rada lila nepi ka leungeun kuring nyeri, tuluy kuring pindah nyekel eta ku leungeun kénca. Ku kuring dipareuman samemeh ganti leungeun.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5867", "text": "Kamera teh loba pisan rupana, salah sahijina anu terkenal teh nyaeta kamera 360 derajat. Kamera ieu teh bisa ngambil gambar leuwih luas, nyaeta nepi ka 360 derajat. Kamera ieu ngagaduhan bentuk anu leutik jeung ramping. Jadi gambar atawa video anu dihasilkeun na teh nyakup sagala sisi. Bentukna teh biasana persegi panjang, lensa kamerana di luhur, terus layar di tengah jang ningali hasil kamera, terus di handapna aya tombol on/off kamera. Dina pengoperasian nana, kamera 360 derajat teh sok make tongsis, jadi ke dina hasil gambarna mah tongsisna teu katingali. Harga kamera 360 derajat teh variatif, aya nu pangmurahna teh sajutaan, nepi ka aya nu kualitas tinggi hargana belasan juta.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5428", "text": "Salah sahiji rumah adat Indonesia nu boga kekhasan menonjol nyaeta rumah Gadang. Rumah Gadang teh rumah adat suku Minangkabau, Sumatera Barat. Rumah Gadang gaduh bentuk suhunan anu kabilang unik, nyaeta ujung kenca katuhuna lancip jiga tanduk munding. Rumah Gadang masih loba ditemui di daerah asalna sorangan. Sabab unikna jeung alusna dekorasi seni nu ngahiasi nana, rumah Gadang jadi salah sahiji tempat wisata nu loba dikunjungi ku wisatawan lokal jeung wisatawan internasional. Hal ieu jadi perkara alus jang kalestarian Rumah Gadang sorangan. Wisata Rumah Gadang jadi salah sahiji wisata wajib dina jalan-jalan ka Sumatera Barat, contona di destinasi wisata Istana Pagauyung.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "915", "text": "Smartphone Blackshark mangrupakeun smartphone anu di produksi Xiaomi. Urang geus make smartphone ieu salila 2 taun, ku urang dipake khusus jang maen game. Make smartphone ieu geus 2 taun karasa keneh masih gancang, sabab emang make Snapdragon 845 nu mangrupakeun chipset paling gancang ti Snapdragon. Desainna oge keren ceuk urang mah, aya logo S ditukangna. Sanajan kategori smartphone gaming, tapi kamera dina Black Shark oge cukup alus, geus dicobaan teu eleh jeung smartphone android nu sejenna. Batrena oge cukup gede, sapoe teh bisa ngecas 2x mun dipake terus-terusan mah, tapi mun dipakena jarang mah sakali sapoe ge cukup, soalna batrena awet jadi weh teu hambur.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2271", "text": "Mangpaat maca buku carita Islam\nSalian ti barudak dihibur ku carita tina buku, maca carita Islam ogé loba mangpaat séjén. Di handap ieu dipedar 3. mangpaat utama maca buku carita Islam, salah sahijina pikeun méré conto anu hadé pikeun barudak. Kieu deui, baca nepi ka tamat, ok!\nKahiji nanjeurkeun ajaran Islam ku cara anu pikabungaheun\nNanemkeun ajaran Islam ku cara anu seru\nSaban kolot muslim hayang nanjeurkeun ajaran Islam ka budakna ti leuleutik. Hal ieu bisa dilakukeun ku cara ngamimitian maca dongéng barudak Islam minangka wanci saré. Ngaliwatan buku-buku dongéng barudak muslim, matéri saperti solat jeung puasa bisa ditepikeun saukur ku gambar-gambar anu warna-warni. Barudak ogé kabetot sareng rasa panasaran bakal timbul dina aranjeunna.\nKadua. Pangajaran ngeunaan babagi, nulungan, jeung amal kahadean séjénna ogé dicaritakeun ku cara metot ngaliwatan protagonis dina carita. Ku kituna, murangkalih bakal mikanyaho ajaran Islam ku cara anu pikaresepeun.\nKatilu. Nambahan pangaweruh ngeunaan sajarah Islam\nNambahan pangaweruh ngeunaan sajarah Islam\nSalaku umat Islam, penting pikeun terang sajarah Islam. Carita sajarah panjang ngeunaan Islam ngailhamkeun seueur panulis buku pikeun damel. Ieu kalebet panulis carita barudak Islam anu ngarangkep kana carita anu gampang kaharti ku barudak.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7154", "text": "Rencong atawa Rincong mangrupa senjata pusaka pikeun masarakat Aceh sarta mangrupa lambang kawani, kawani, bela diri jeung kapahlawanan Aceh ti abad ka abad. Numutkeun salah sahiji sumber, Rencong dipikawanoh dina awal Karajaan Islam dina abad ka-13. Dina jaman Karajaan Aceh Darussalam, rencong ieu teu pernah leupas tina ampir unggal cangkeng masarakat Aceh anu rata-rata miboga kawani anu luar biasa boh pikeun lalaki boh awewe sabab rencong pikeun urang Aceh ieu kawas prajurit mawa bedilna anu jadi lambang kawani, kaagungan, luhurna harkat jeung kasaktian urang Aceh. Ku kituna urang Portugis kudu mikir panjang pikeun ngadeukeutan urang Aceh. Bentuk rencong oge tiasa robah sasuai jaman.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8134", "text": "Tablet upami dipikir-pikir mah tiasa ngagentoskeun buku. Tablet dibandingkeun buku teh lewih praktis. Tablet upami dicandak dina tas leuwih saeutik meakeun tempat dibandingkeun buku nu tiasa berebu-rebu lembar. Ayeuna ge tos seueur buku nu diterbitkeun sacara online janten tiasa diakses make internet liwat tablet. Akses nu leuwih gampil ieu nyieun tablet tiasa janten alat baca dimana wae. Tos seueur oge rupa-rupi format file bacaan nu tiasa dibaca liwat tablet janten ngagampilkeun pembaca. Liwat tablet urang ge tiasa ngabagikeun naon wae nu urang baca ka jalmi nu sejen. Penggunaan tablet oge tiasa ngurangan penggunaan kertas nu janten media serat di buku.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2410", "text": "Tari saman jeung tari ratoh jaroe, upama ditilik-tilik mah gerakna ampir sarua. Aya sababaraha gerakan anu sami. Tapi sabenerna aranjeunna dua tarian béda. Beda kahiji antara tari Saman jeung tari Ratoh Jaroe nyaéta tari Saman asalna ti dataran luhur Gayo Lues di bagian tengah Propinsi Acéh, sedengkeun tari Ratoh Jaroe mangrupa tari kreatif anu mekar di wewengkon basisir Acéh. Bédana séjénna nyaéta Tari Saman ngan bisa dimaénkeun ku lalaki, jumlah pamaénna ogé kudu ganjil, sedengkeun Tari Ratoh Jaroe dicoo ku rombongan awéwé. Éta sababaraha bédana dasar antara Tari Saman jeung Tari Ratoh Jaroe, tapi seuseueurna jalma teu ngarti, malah Tari Rato Jaroe sok disebut Tari Saman.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1191", "text": "Media sosial lain ngan saukur jang ngunggah selfie atawa kahirupan sapopoe. Tapi bisa ku urang mangpaatkeun jang jualan ngameh bisa nambahan penghasilan. Pasti mimitian mah mun jualan jeung mibogaan bisnia, neangan target pasar jadi salah sahiji hal anu hese. Ngan ku urang bisa dicobaan ku mangpaatkeun sosial media. Lain ngan saukur eta, sosial media oge bisa mantuan urang ngamekarkeun bisnis. Lantaran kunci suksesna dina bisnis teh nyaeta ku mikawanoh pelanggan leuwih deukeut. Ku mibogaan sosial media jang bisnis, proses mikawanoh ieu jadi leuwih babari. Urang bisa ngagunakeun alat pendukung siga Facebook Insight jang diajar bahasa dominan nu diucapkeun antara pengguna sosial media usia atawa jenis kelaminna. Informasi ieu bisa mantuan dina proses promosi ka target anu bener.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3611", "text": "Sabenerna aya sababaraha sistem hidroponik anu bisa dipaké DFT NFT jeung statis. Beda antara tilu nyaéta sistem irigasi. Tapi intina tetep yén média anu dianggo sanés taneuh.\n\n1. Nyiapkeun sateuacanna runtuyan sistem hidroponik anu tiasa nganggo pipa, pompa, sareng aliran cai (inlet sareng outlet).\n2. Média anu dipaké nyaéta rockwool bersih atawa sabut kalapa\n3. Nutrisi tutuwuhan ditambahkeun nurutkeun dosis (5ml / l)\n4. Jaga pH cai dina 6-7\n5. Aliran cai tetep ngocor\n6. Tutuwuhan hidroponik bakal tumuwuh sacara optimal dina kondisi cahaya anu optimal.\n7. Catetan: pikeun pemula, meureun anjeun tiasa nyobian metode hidroponik statik. 1. Siapkeun kotak plastik, jieun liang dina kotak plastik nurutkeun média. Ninggalkeun sababaraha spasi antara liang. Di handapeun media, kaen flanel napel pikeun nyerep cai supados rockwool tetep beueus. Jaga pH larutan cai 6-7.\n8. rengse", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5112", "text": "Sadayana pasti gaduh hobi nu leuwih ti hiji. Malahan aya sababaraha jalmi nu nekunan sadaya nu dipikahobina. Ngan, supaya leuwih efektif ka hobina, tekenkeun ka hiji hobi nu kira-kira dikuasai ku urang. Daripada nekunan sadaya tapi ngan dasarna hungkul, mending kerucutkeun ka hiji hobi tapi tiasa paham kamampuan kana hobi eta. Tujuan kerucutkeunna hobi teh supaya urang tiasa jadi level expert di salah sahiji bidang, janten aya kamampian atawa skill n bisa terus diasah. Mun urang tos expert dina sesuatu, pasti sagala tawaran ge pasti bakal daratang nyalira. Tah, ku kituna, hayu cerna deui hobi urang naon, yuk urang sami-sami ngarah elmuna!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "835", "text": "Jang ngurangan resiko raheut siga leungeun jeung suku tisoledat sabari menerkeun postur jeung meunangkeun mangpaat tina latihan yoga sacara maksimal jeung sakabehna, kudu aya padoman nyocogkeun yoga. Ku sabab kitu, pas milih matras yoga nu alus, padoman nyocogkeun yoga kudu jadi pertimbangan dasar, babarengan jeung hal-hal nu sejen, siga bahan, kakandelan, ukuran, jeung hargana. Aya 4 bahan yoga nu mindeng digunakeun, siga PVC, karet alami, PER, jeung TPE. Mun PVC tahan lila jeung cepel pisan hargana oge murah. Mun make karet alami ramah lingkungan tapi teu tahan ku panonpoe. Mun PER anti bau jeung hargana kajangkau. Terakhir TPE anti lembab jeung aya dina rupa-rupa tekstur, ngan paling teu tahan lila ti kabeh jenis bahan yoga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3901", "text": "Tukang masak atawa chef atawa koki pagawean profesional aya babaraha sakolah nu khusus ngajarkeun ieu di luar negeri aya sakolah atawa kampus khusus keur bisa jadi tukang masak. Di Indonesia ge aya pelajaran khusus na nun ges di ajarkeu ti SMP nyaeta pelajaran Tata Boga di lanjutkeun di universitas ge aya jurusan Tata Boga. Pelajaran tata boga nyaeta pelajaran anu ngajarkeun masak memasakan ti awal, ngajrkeun sagala menu masakan ti seluruh dunia, ngajarkeun budaya na lewat masakan, di ajarkeun cara masak jeug sagala macem teknik nepi ka bahan bahan na jeung teu poho ka nilai gizi na nu mawa nu leuwih sehat. Biasa na nu sakola tata boga ngke na boga restoran sorangan atawa jadi koki profesional. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8654", "text": "Ieu sababaraha cara anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ningkatkeun hubungan sareng tatangga. Upami aya masalah antara anjeun sareng tatangga anjeun, coba ngahampura kasalahan anu dilakukeun. Ulah ngantep kasalahan leutik nyieun hubungan rusak parah. Coba mun ngobrol jeung tatanggana jujur ​​tur kabuka. Ulah nyumputkeun parasaan anjeun, tapi ulah nyerang atawa nuduh oge. Ngobrolkeun masalahna kalayan tenang sareng milarian solusi anu cocog pikeun dua pihak. Lamun tatangga anjeun butuh pitulung, coba pikeun mantuan. Contona, ngabantuan ngangkat barang, ngurus imah nalika tatanggana jauh, atawa nyoco piaraan maranehanana nalika aranjeunna kaluar na tentang. Upami anjeun teu satuju sareng tatangga anjeun, cobian ngabereskeun masalah eta ku cara anu ramah. Ulah nyieun konflik parah ku ngaprovoaksai atanapi ningkatkeun kaayaan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2", "text": "Sangu goreng mangrupakeun masakan khas asal Indonesia. Disajikeun tina rupa-rupa rasa nu bisa disesuaikeun jeung kahayang nu meuli. Sangu goreng biasana warna coklat tina kecap. Tapi kadieunakeun aya oge nu warna na hejo (cabe hejo), koneng, beureum, ungu. Biasana disajikeun jeung endog ceplok oge ditambahan sayuran siga tomat jeung bonteng. Tapi kusabab ayeuna mah loba varian na, contona sangu goreng nu aya di Jalan Cilaki. Eta salah sahiji sangu goreng seafood, nyaeta nu make tambahan udang, cumi, jeung sajabana. Aya oge nu make tambahan bakso, babat, daging domba, kornet, jeung sajabana. Biasana beda daerah beda oge ciri khas sangu gorengna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7041", "text": "Basa Muhammad dibabarkeun di Mekah, aya hiji kajadian anu ageung pisan, nyaeta Mekah anu diserang ku pasukan gajahna Abrahah. Manehna hoyong ngahancurkeun Ka'bah lantaran gereja anu tos dijieun ku manehna diserang ku Bangsa Arab. Sateuacan nyerang Ka'bah Abrahah oge maok 200 onta gaduh Abdul Muthalib. Abdul Muthalib leuwih hawatos ka ontana tipada Ka'bah lantaran Ka'bah mah kagungan Allah, jeung pasti Allah bakal ngalindungan. Pas geus dihareupeun Ka'bah gaja-gajah eta kalahkah ereun jeung malik ka tukang. Allah oge ngirim Manuk Ababil anu mawa batu anu panas. Abrahah jeung pasukanna langsung eleh lantaran geus dilahap ku batu panas, sakumaha anu dicaritakeun di surah Al-Fiil.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7088", "text": "Golongan ka genep anu meunang lindungan ti Alloh SWT dina poe kiamat nyaeta lalaki anu digoda ku awewe anu boga jabatan atawa bangsawan pikeun maksiat, tapi manehna ngajawab yen manehna sieun ku Alloh. Salah sahiji contoh jalmi anu ngalakukeun ieu nyaeta nabi Yusuf basa digoda ku Zulaikha pikeun maksiat, anjeunna ngajawab yen manehna sieun ku Alloh teras nolak ajakan Zulaikha, padahal Zulaikha teh sanes awewe biasa, manehna pamajikan raja di mesir anu geulis pisan. Tapi Nabi Yusuf teu nurutan hawa nafsuna, tapi manehna nurutan naon anu diparentahkeun ku Alloh. Nahan diri sorangan ti godaan awewe teh sanes hal anu gampil, komo di jaman ayeuna, seeur pisan jalmi anu ngalakukeun zina jeung dianggap biasa wae.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8677", "text": "Perasaan siap pikeun bencana alam tiasa masihan jalma rasa tenang sareng percaya diri. Lamun hiji jalma geus disiapkeun oge sarta boga rencana darurat di tempat, maranehna bisa ngarasa leuwih siap tur bisa tenang jeung kaayaan anu bisa lumangsung. Salaku tambahan, persiapan anu ati-ati tiasa ngirangan kahariwang sareng kahariwang ngeunaan naon anu bakal kajadian nalika bencana alam datang. Hiji jalma bisa ngarasa leuwih siap fisik jeung mental, nu bisa mantuan aranjeunna ngajaga kasehatan mental sarta fisik nalika jeung sanggeus musibah. Sanajan kitu, ngarasa siap lain hartosna yen hiji moal ngarasa sieun atawa trauma sanggeus ngalaman musibah alam. Bencana alam tiasa pisan ngaganggu sareng ngarobih kahirupan hiji jalma, sareng eta lumrah pikeun jalma ngarasa cilaka sareng setres saatos ngalaman musibah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "855", "text": "Barca eleh 1-0, tilu kali beruntun, kaasup Eintracht. Tilu kali beruntun di kandang sorangan eleh 1-0, ayeuna mah ceuk urang maranehna teu layak eleh, lantaran maranehna loba peluang tapi finishing-na butut pisan. Dina 90 menit, eta praktis meunang 1 peluang nyaeta gol tadi. Sanajan golna alus, lamun ceuk urang mah salah Ter Stegen. Tihang nu kahiji teh kuduna jang kiper. Tah peluang nu kadua eta keuna tihang di menit 90 leuwih, injury time na 11, tah aya masalah naon jeung Barca? Lamun ceuk urang mah eta ti lini tengah. Frenkie de Jong eta dipaksa jang jadi attacking midfielder. Manehna teh lain killer, tapi tugasna teh nga organize di tengah.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2361", "text": "Sawatara hal anu kudu diperhatikeun sabada latihan nembangkeun tembang Sunda, nyaéta nu kudu di dugikeun ku anjeun didinya:\r\n\r\n• Artikulasi\r\n\r\nNalika nyanyi lagu naon waé, kalebet lagu-lagu rahayat, artikulasi janten téknik nyanyian utama. Artikulasi nya éta cara ngucapkeun kecap atawa rumpaka tembang.\r\n\r\nPanyanyi kudu ngucapkeun rumpaka tembang kalawan jelas, mimitian ti artikulasi vokal, konsonan jeung difong atawa sora ganda.\r\n\r\n•Intonasi\r\n\r\nSalian ti artikulasi, intonasi ogé mangrupa téknik utama nembang. Intonasi nyaéta nada luhur jeung handap anu kudu dihontal kalayan bener.\r\n\r\nTéhnik engapan\r\n\r\nEngapan diperlukeun pisan nalika nyanyi, kaasup lagu rahayat. Sabab ku nyaluyukeun napas, intonasi jadi leuwih merenah pikeun ngahontalna. Salian ti éta, artikulasi atawa lafalna ogé beuki écés.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2667", "text": ". Sanaos ngan ukur nyobaan, cobian nganggo kaos anu kerah, meureun kaos polo, tapi ulah nganggo kaos sabab bakal sesah leungeun anjeun ngalih. Anggo sapatu olahraga upami anjeun teu acan gaduh sapatu golf. Upami anjeun ngarencanakeun serius ngudag golf sareng angkat ka lapangan, kuring nyarankeun anjeun mésér sapatu golf. Sapatu golf ngagaduhan spésifikasi khusus dina dampal suku handap supados henteu leueur nalika dianggo pikeun leumpang dina sawah jukut. Sapatu golf dina kategori murah hargana sakitar 1 jutaan lewih. Nominal ieu henteu kedah janten hal anu sesah dihontal pikeun jalma anu parantos mutuskeun pikeun ngudag golf jang gaya wae nu matak golf jarang nu aya.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7471", "text": "Kompor listrik gaduh seeur kaleuwihan lamun dibandingkeun jeung kompor gas biasa. Anu kahiji nyaeta kompor listrik biasana gaduh bentuk anu leutik tibatan kompor gas. Janten lamun urang bade mawa kompor listrik kamamana teu pati riweuh sapertos mawa kompor gas anu biasana ukuranna badag jeung seeur anu kedah dipasang. Urang oge teu kedah mawa gas anu beuratna tilu kilo atawa leuwih. Kompor listrik oge gaduh bentuk anu datar sapertos keramik, teu sapertos kompor gas anu aya regulator jeung tungku anu beurat. Bentuk kompor anu datar tangtos leuwih gampang diberesihan jeung leuwih sae katingalina lantaran cekap dielap ku kaen beresih pas komporna tos teu panas. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "493", "text": "Ti kajauhan Masjid Al jabbar katinggali ngapung di luhur cai. Tapi lamun ninggali leuwih deukeut mah masjid ieu sabenerna henteu ngapung. Tempat ibadah ieu ayana di tengah-tengah leuwi jadi katinggalina ngapung dina cai. Masjid ieu teu make kubah, jeung boga ornamen atap numpuk ngabentuk kerucut. Engkena masjid ieu bakal dilengkepan kaca anu warna-warni. Sanajan pembangunanna acan rengse, tapi kamegahan bangunan ieu langsung katinggali ti luar. Bentukna nu beda ti mesjid nu umumna nepikeun ka masjid ieu mindeng disumpingan ku para wisastawan. Lantai nu kahiji bakal dibangun museum sajarah nabi. Tuluy lantai nu kadua jeung tilu dijadikeun tempat ibadah nu bisa nampung jemaah. Salian ti eta geus dilengkepan oge ku fasilitas jang mondok, pelatihan, perpustakaan, jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7356", "text": "Abdi sok panasaran pisan ka jalmi anu resep maen catur. Naha aya jalmi anu kiat sababaraha jam cicing di hareupeun meja sabari ningalian pion. Lamun teu ngartos catur mah pasti bakal bosen ningalna. Hiji waktos abdi maca novel ngeunaan jalmi anu janten juara ti maen catur. Abdi langsung panasaran kumaha carana maen catur lantaran di novel eta teh disebutkeun sababaraha istilah catur anu abdi teu apal. Abdi teras diajar maen catur make catur kertas anu pion na leutik tina palastik, laun-laun abdi oge latihan dina komputer. Abdi jadi resep maen catur, pas diajar abdi kantos ngelehan teteh-teteh anu ngajarkeun catur ka abdi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6789", "text": "Lamun keur nyante, abdi biasana kempel sareng rerencangan lantaran abdi mah jalmi ma teh resepe pisan carita jeung ngobrol, biasana abdi ngajakan rerencangan emam di Mekdi sabari ngerjakeun tugas jeung ngobrol-ngobrol. Anu diobrolkeun biasana masalah hirup anu keur disanggareupeun. Biasana lamun tos ngobrol sareng rerencangan pikiran teh langkung hampang, teu loba pikiran. Lamun ka Mekdi oge biasana abdi mah sok neangan promo, cara na ngangge aplikasi Mekdi, biasana sok aya tawaran hayam 2, cai enteh, jeung sangu ngan dua puluh lima rebu, lumayan lamun udunan tiasa leuwih mirah. Lamun urang mineng balanja oge bakal meunang poin anu tiasa ditukeurkeun jang eskrim gratis.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8647", "text": "Ayu teh ibu rumah tangga anu cicing di komplek perumahan anu rame. Ayu resep hirup jadi tatangga, sok ngabageakeun tatanggana sarta mindeng ngayakeun dahar babarengan atawa kagiatan sejenna pikeun nguatkeun tali silaturahmi jeung tatanggana. Nalika tatangga butuh pitulung, Ayu salawasna siap nulungan. Siga hiji waktu, tatanggana nu cicing di gigireun imahna kakeueum banjir, Ayu teu weleh mantuan meresihan imah tatanggana. Anjeunna oge sering ngabantosan budak tatanggana nalika tatanggana sibuk ku padamelan. Salian ti eta, Ayu oge meunang loba mangpaat tina hirup jadi tatangga. Lamun manehna butuh bantuan, saperti keur gering jeung teu bisa ngurus anak sorangan, manehna bisa menta tatanggana pikeun ngurus budakna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1153", "text": "Sabab jadi sekretaris di kantor, urang mindeng pisan narima telepon ti calon costumer. Biasana urang sok ngajadwalkeun jeung jadwal boss urang. Tuluy ampir tiap minggu di minggu akhir gawe sok aya meeting, sakapeung mah meetingna lingkupna leutik, sakapeung oge lingkupna lobaan biasana dicampur jeung divisi-divisi nu sejen. Ngabahasna loba bisa ngeunaan target saminggu kahareup, jeung tanggung waler target naon wae nu geus atawa acan kacapai di minggu saacanna. Mindeng oge lembur di kantor ngabahas proyekan jeung nu sejen mun acan meunang target. Komo pernah sakali-kalina mondok di kantor lantaran nepikeun ka subuh meetingna, da rek balik kagok geus subuh tungtungna mondok di kantor.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7026", "text": "Pangadeg agama Budha nyaeta Sidhartha Gautama lahir di India Kuna dina abad ka-6 SM. Anjeunna putra raja sarta hirup dina kondisi anu damai, bagja jeung mewah. Tapi, anjeunna ninggalkeun kahirupan mewah na nalika anjeunna yuswa 29 taun pikeun milarian pamahaman spiritual. Anjeunna ngumbara milarian sababaraha guru spiritual , nepi keun ahirna meunang elmu spiritual anu luar biasa. Anjeunna bakti diri pikeun ngajarkeun bebeneran spiritual anu anjeunna pendakan. Anjeunna janten Guru Agama sarta ngadegkeun Sangha, atawa komunitas kanggo jalmi anu nuturkeun ajaran manehna. Anjeunna ngembangkeun Budha, anu ngamajukeun konsep tilu jalan anu kedah dijalankeun: nyaeta jalan bebeneran, jalan pangorbanan, sareng jalan kasadaran. Anjeunna maot dina yuswa 80 taun.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8683", "text": "Hayu urang sasarengan nyanghareupan bencana alam kalayan persiapan anu sae supados tiasa ngajaga diri sareng kulawarga. Musibah alam tiasa lumangsung iraha wae sareng dimana wae. Hayu urang nyiapkeun diri pikeun salamet sareng ngajaga diri tina musibah ieu. Persiapan pikeun bencana alam penting pisan. Entong ngantepkeun diri sareng kulawarga reuwas sareng teu siap pikeun bencana alam. Hayu urang siap awal jeung ngajaga kaamanan babarengan. Persiapan taliti mangrupakeun konci pikeun nungkulan bencana alam. Urang henteu terang iraha bencana alam bakal lumangsung, janten hayu urang nyiapkeun diri ayeuna pikeun ngirangan resiko sareng ngirangan dampakna. Urang teu bisa ngadalikeun bencana alam, tapi urang bisa ngadalikeun kumaha urang ngabales eta. Hayu urang siap-siap ayeuna pikeun nungkulanana sacara tenang sareng teratur.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8035", "text": "Dina hiji isuk anu cerah, Maria mutuskeun pikeun latihan ringan di taman deukeut imahna. Anjeunna milih jalan-jalan santai bari ngaraosan hawa seger sareng pamandangan anu endah. Bari leumpang, Maria ngarasakeun angin isuk tiis tur nempo loba jalma latihan di taman. Sababaraha urang lumpat, sedengkeun anu sanesna leumpang gancang, sapedah, atanapi ngalakukeun yoga. Maria nuluykeun leumpang lajeng direureuhkeun manteng. Anjeunna manjangkeun suku, tonggong, sareng panangan sateuacan neraskeun perjalanan. Nalika anjeunna ngaliwat lapangan maen bal di taman, Maria ningali sababaraha budak leutik maen bal. Anjeunna seuri jeung inget budak leutik na nalika anjeunna resep maen bal jeung babaturanana. Nanging, waktos ieu anjeunna ngan ukur ningali murangkalih ti kajauhan bari terus leumpang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6691", "text": "Kanggo jalmi anu resep nginum cai haneut biasana urang sok ngagolakeun cai dina kompor make dandang atawa cerek. Upami bade nyimpen cai panas kanggo dipake saterasna urang tiasa nyimpen cai tetep panas dina termos. Sanajan bagian luarna ti palastik, tapi termos tiasa nyimpen cai panas nepikeun sapoe, janten upami urang bade nginum cai panas teu kedah naheur cai sababaraha kali, cukup sakali we, teras disimpen dina termos. Tapi urang kedah ati-ati ngangge termos lantaran termos teh di jero na aya tabung kaca anu fungsi na nahan udara supados teu beunang cai panas, lamun katodel atawa labuh ti tempat anu jangkung termos bisa pepeus. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1617", "text": "Ulah aneh mun urang indit ka desa urang bakal manggihan cai nu karasa tiis pisan. Komo deui pas isuk-isuk geus siga cai es. Tapi caina teh alami, jernih, jeung tawar atawa euweuh rasa. Sabagian gede masarakat di desa masih ngagunakeun cai sumur jang kabutuhan cai. Komo teu jarang oge aya nu ngamangpaatkeun tina mata cai anu deukeut. Ku sabab kitu, mun urang ngabutuhkeun cai, siga rek mandi, urang bakal butuh ember jang nyokot atawa ngaguyurna. Emang karasa cape tapi sapadan jeung kualitas cai nu ku urang meunangkeun. Geus pasti weh hanjat mandi teh awak bakal ngabirigidig, komo pas isuk-isuk mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8816", "text": "Bola kabugaran, ogé katelah bal gim, mangrupikeun alat latihan bumi anu tiasa dianggo pikeun sagala umur. Salian ti olahraga, ibu hamil atawa jalma kalawan kaayaan nu tangtu ngagunakeun bal ieu pikeun ngaronjatkeun kaséhatan awak maranéhanana. Cara pikeun ngaleutikan patuangan urang kalayan bal gym nyaéta kalayan gerakan plank. Gerakan plank sorangan sabenerna alus pikeun nyusut patuangan. Tapi mun urang tambahkeun bal gim ka gerakan, anjeun bakal meunang sensasi béda dibandingkeun gerakan plank biasa. Kahiji, nyandak posisi tengkurap dimana bal gim ngarojong awak urang, pastikeun duanana leungeun mangrupakeun numpu awak. Kasaimbangan kedah diatur heula sareng fokus kana kontraksi dina beuteung. Ulah nempatkeun beuteung atanapi tuur anjeun dina lantai sateuacan waktos anu dipasihkeun réngsé supados mangpaat tina latihan ieu tiasa dirasakeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4263", "text": "Dina sabagean daerah salah sahijina daerah desa semelinang tebingdi kabupaten Indragiri Hulu, tokoh adat nyaeta jelema anu boga pangaweruh jeung kakuatan gede di masarakat ngabogaan hiji tanggung jawab mangrupa ngajaga benteng ti generasi ka generasi generasi pikeun ngembangkeun adat jeung latihan di kahirupan sosial, bangsa jeung nagara dumasar kana nilai nilai luhung adat jeung budaya. Tokoh adat boga pamenta ngajieun kasiapan pikeun ngarumuskeun kawijakan adat. Pikeun ngabasmi jelema anu ngalanggar kalakuan norma saperti diantara na aya kenakalan rumaja. Di Desa Semelinang Tebing. Tokoh adat boga peran aktif karakter jeung pangawasan. Sabab aya bentuk kenakalan remaja anu mindeng lumangsung di Désa semelinang nyaeta sex di luar nikah. Dina hal ieu karakter adat istiadat maénkeun peran penting dina ngajawab masalah éta kajadian ka rumaja, bahwa lamun ngalanggar eta teu ngan aya sanksi sosial tapi oge aya hukum adat anu berlaku.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8632", "text": "Hiji poe, pasangan nikah anu geus nikah salila 5 taun mutuskeun pikeun balik liburan babarengan ka pantai. Aranjeunna leres-leres ngarepkeun liburan sabab duanana sibuk sareng padamelan sapopoe sareng jarang gaduh waktos kualitas babarengan. Sesampainya di pantai, aranjeunna mutuskeun pikeun leumpang sapanjang pantai jeung ngarasakeun tetempoan endah. Nalika aranjeunna leumpang, aranjeunna nyarioskeun masa lalu, carita cinta, sareng rencana pikeun masa depan. Sanggeus leumpang rada jauh, maranehna manggihan hiji tempat nice diuk jeung ngarasakeun Panonpoe Tilelep. Nalika panonpoe surup, aranjeunna mutuskeun pikeun ngawangun api unggun leutik sareng masak tuangeun sederhana anu aranjeunna bawa. Bari ngadagoan dahareun asak, aranjeunna ngobrol ngeunaan impian maranehanana sarta harepan pikeun mangsa nu bakal datang, sarta oge ngabahas sababaraha tantangan aranjeunna nyanghareupan salaku pasangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1590", "text": "Mun urang boga anak atawa adi, euweuh salahna mun urang ngalatih maranehna dina kaayaan genting, siga bencana alam. Maranehna oge kudu apal sabab ieu elmu pangaweruh nu mangpaat jang kahirupanna. Komo dina kaayaan genting mah sakapeung teu inget sasaha salian ti nyalametkeun diri masing-masing. Alusna urang ngalatih maranehna ngeunaan naon nu kudu dilakukeun mun kajadian bencana alam, jeung tempat mana wae di imah anu aman. Lamun gempa bumi alusna nyumput di meja anu kokoh, tapi mun aya kasempetan lumpat mah mending lumpat ka lapangan anu terbuka. Bejaan oge lantaran aya imah anu dijieunna teu kokoh, komo mun gempana gede mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1574", "text": "Di gunung urang kudu hemat batre jeung dahareun, lantaran pencahayaan jeung dahareun jadi hal anu penting jang tuluy ngajaga stamina jeung kaamanan urang. Kudu hemat dina ngonsumsi bekel dahareun! Urang tangtu bisa apal iraha dahareun urang bakal beak, ku sabab kitu pikirkeun deui ku taliti jeung kudu bertahan sanajan lapar. Lamun dahar ti alam liar, ulah ngadahar daun jeung buah anu warnana teh caang atawa aya buluan lantaran biasana eta teh ngandung racun. Urang bisa perhatikeun, mun aya monyet tuluy monyet ngadahar buah eta, berarti buah eta aman jang dikonsumsi ku urang oge. Salian eta, pencahayaan pas peuting oge ngajaga urang meh salamet. Hurungkeun senter urang pas geus poek jeung pareuman pas urang rek sare.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4094", "text": "Perjalanan jeung perjuangan Buya Hamka hararese dibayangkeun ku ngaran gedé bapana Abdul Karim Amrullah, rumaja Hamka mineng ngarambat jauh ulin sorangan. Ajeunna hijrah ka Jawa dina yuswa 16 taun. Sanggeus sataun, manéhna balik deui ngangkat Muhammadiyah di Padang Panjang. Pangalaman ditolak jadi guru di sakola milik Muhammadiyah lantaran teu boga ijazah jeung kritik kana kamampuhna nyarita basa Arab ngahudangkeun kahayang Hamka ngora ka Mekah. Ku basa Arab anu diulikna, Hamka diajar sajarah jeung sastra Islam sorangan. Balik deui ka Indonésia, Hamka digawé jadi wartawan bari jadi guru agama di Deli. Sanggeus nikah, manéhna balik deui ka Medan sarta mingpin Pedoman Komunitas. Ngaliwatan karyana Dina Panyalindungan Ka'bah sareng Tenggelamna Kapal Van Der Wijck, ngaran Hamka ngaluhuran salaku sastrawan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7161", "text": "Betawi kasohor ku senjata tradisionalna nyaeta Golok. Senjata tradisional ieu mineng dijadikeun asesoris sapopoe pikeun pakean adat Betawi anu dipake ku lalaki Betawi. Golok diselapkeun sareng diikat kana beber hejo sareng dianggo nalika damel atanapi iinditan minangka alat pertahanan diri. Golok nyaeta senjata anu gaduh bilah anu panjang sarta seukeut dijieun tina beusi atawa waja sarta gagangna dijieun tina kai teuas. Sarung dina golok dijieun tina kai anu dipake pikeun nyimpen golok. Golok dibagi tilu rupa, nyaeta golok kerja, golok simpenan, jeung golok sorenan. Ku urang Betawi, golok biasana diteundeun di dapur. Senjata tradisional Betawi ieu oge disimpen dina handapeun bantal. Ieu dimaksudkeun supados leuwih gampang lamun rek dipake.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2325", "text": "Sateuacan lebet kana sasih Ramadhan, sim kuring nganjang ka Gereja Katedral Santo Petrus Bandung sareng rerencangan ti Komunitas Bandoeng Waktoe Itoe, komunitas anu mikacinta sajarah di Bandung. Mimitina mah kuring ngan ukur pilari di sabudeureun, tapi nyatana urang dipandu langsung ti salah sahiji pajabat garéja anu ngajelaskeun jéntré ngeunaan gereja ieu. Henteu ngan ukur kamar utama, tapi urang ogé wilujeng sumping ningali kamar confessional, lantai kadua, kamar baptis, jsb. Salah sahiji bagian gareja anu kuring resep, upami teu lepat ieu mangrupikeun altar, aya tulisan \"Datang ka kuring anjeun anu capé sareng nanggung beban\". Aula utama Garéja, difoto ti balkon lanté kadua. Kuring ngeposkeun poto ieu dina Carita Instagram, tapi saatos 2 jam kuring ngahapus sabab seueur anu nyangka kuring parantos ngarobih agama sareng sawaréh panginten kuring Katolik. Sanggeus nganjang ka dinya, kuring mikaresep karya-karya arsitéktur C.P Wolf Schoemaker, arsiték kasohor anu geus nyieun rupa-rupa wangunan Art-Deco anu ngahias Paris van Java.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3909", "text": "Katel mangrupakeun wadah paranti masak utama anu paling sering di pake sareng anu paling praktis matakna wajib pisan katel aya di unggal Imah sangking penting na. Sabenerna loba kaunggulan dina ngagunakeun hiji katel bisa ngasakan sagala. Salian ti fungsi utama pikeun ngagoreng katel, bisa oge ditumis nepi ka ngagodog. Hal ieu dimungkinkeun sabab bentukna katel anu lega jeung kerung jadi bisa nampung leuwih loba masakan jeung lamun masak nu aya cai an boh sayur boh ngagodog mie jadi na moal bahe. Ngaefisienkeun waktu oge jadi sakali masak bisa loba jadi bis leuwih irit. Sakali masak bisa keur babaraha kali dahar. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5326", "text": "Ustadz Handy Bonny nyaea salah sahiji pendakwah nu dipikaresep pisan ku kaum milenial mah. Ustadz Handy Bonny lahir di Bandung, 14 April 1988. Anjeunna lulusan sarjana di Universitas Padjadjaran jurusan Ilmu Komunikasi. Ustadz Handy Bonny dikenal sabab gaya penampilan jeung gaya retorikana. Gaya pakean nana nyaeta ngangge pakean stylish nu saderhana jiga budak ngora, janten nyentrik pisan tinu pendakwah sejen. Anjeunna oge gaduh gaya bahasa nu nyentrik, unggal nyampaikeun dakwahna pasti ngangge retorika nu menarik janten mudah dipahami ku buda ngora. Hal eta nu mantak ngajadikeun anjeunna seueur dikaresep ku kaum milenial. Anjeunna oge aktif dina sosial media kangge nyebakeun pesan dakwahna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "68", "text": "Chef jeung Koki teh pagawean anu beda. Chef teh nyaeta nu mibogaan kaparigelan dina masak. Salian masak, Chef oge sakola kuliner salila dua atawa opat taun, atawa bisa oge magang ka chef nu sejen nepika meunang elmu nu satara. Chef oge boga tanggung waler anu gede misalna jadi supervisor. Tuluy nyieun menu di restoran. Sedengkeun koki mah nu ngolah dahareun unggal poe, ngalakukeun gawean oge saluyu arahan, ngumbah peralatan masak atawa peralatan dapur oge jadi gaweanna koki, tuluy koki mah biasana nurutan kana unggal resep anu geus ditangtukeun, jeung masih dina tahap diajar. Jadi sacara umum mah, jabatan, gaji, jeung pengembangan karier koki leuwih rendah tibatan chef.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5023", "text": "Salah sahiji wisata alam nu terkenal di Tasik nyaeta Pantai Sindangkerta. Lokasina aya di Sindangkerta, Cipatujah. Pantai ieu ngabentang sapanjang jalan utama. Di pantaina seueur batu karang nu endah pisan. Komo mun sore mah pas cai laut surut, batu karangna katarembong bisa pake popotoan. Di pantaina oge seueur keneh umang. Jadi mun kadieu mah pasti we wareg ngala umang jeung wareg popotoan. Mun kadieu teu kudu mayar karcis, cukup mayar ku jajan ka warung nu warga lokal we. Pantaina oge luas pisan, seubeuh jang lulumpatan mah. Harga jajanan di warung na oge kabilang murah, sarua jeung harga jajanan di lembur. Pokokna mun hoyong nikmati pantai tapi teu gaduh acis seueur, sumping we kadieu, dijamin bakal betah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2430", "text": "Garang haseum nu paling ngenah di pekalongan\nGarang Asem nyaéta kadaharan olahan hayam anu disiapkeun ku santan jeung daun cau. Rasana gurih tapi leuwih haseum, biasana dimasak ku belimbing wuluh mun teu salah mah. Tadina mah panginten aya opor, tapi kalduna langkung hampang. Rasa gurih dimeunangkeun tina santan. Biasana didahar salaku lauk sareng sangu. Pikeun kuring, éta cocog pikeun didahar salaku tuangeun nalika kuring gering. Tapi, asam garang nu karandapan ku kuring di Pekalongan siga rawon, jadi sajenis pindang. Kalduna warnana poék jeung biasana didahar jeung endog bebek, saperti kieu: Tempat anu biasa dijugjug kulawarga kuring nyaéta Garang Asem H. Masduki, alamatna Jl. Gen. Sudirman No 169, Kebulen, Kec. Pekalongan Barat Kota Pekalongan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4016", "text": "Film Yowis Ben boga latar di Malang jeung nyaritakeun Bayu, anak tukang dagang Nasi Pecel nu miskin jeung cicing di imah kontrakan. Di sakola, Bayu sering dihina ku sabab budak miskin, sarta ditolak nalika ngadeukeutan budak awéwé. Bayu boga cita-cita kudu sukses jeung kawentar sangkan bisa mantuan ekonomi indungna mayar imah, da dina carita na si bayu jeung indung jeung amang na bakal di usir mun teu nbisa mayar kontrakan. Teun ngan dimah hirup bayu di sakola ge teu leuwih alus di sakola bayu sok di hina nrpi ka bayu boga tekad hayang ngarubah hirup na supaya bisa di hargaan jeung dipikahormat di sakolana. Dina waktos anu sami, rerencangan Don, Nando sareng Yayan oge hoyong kasohor sareng sukses supados tiasa ngabuktikeun sareng ngabanggakeun kolotna, teras ngadamel band anu namina Yo wis ben.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "69", "text": "Katering nyaeta salah sahiji jasa dibidang masakan, ngameh usaha katering kudu boga pagawe nu bakal nyekelan bidangna sewang-sewangan, komo lamun kateringna geus gede atawa kasohor. Nu kahiji juru masak anu tugasna masak dahareun katering. Nu kadua asisten juru masak anu tugasna teh ngabantuan juru masak. Nu katilu tukang ngumbah misal ngumbahan peralatan masak nu kotor, atawa ngeringkeun make elap beresih, tuluy nendeun kana tempatna. Nu kaopat kepala pelayanan anu tugasna ngakoordinir tugas para pelayan salila acara pesta. Nu kalima pelayan katering anu boga tugas menyajikan dahareun jeung ngisi dahareun nu kosong, tuluy nu mawa piring gelas nu kotor, jeung sajabana. Nu terakhir supir, anu tugasna nganteurkeun pesenan, atawa nganterkeun pagawe katering balanja, jeung sajabana.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4271", "text": "Rawon di jieun tina daging bisa daging naon wae sakumaha kahayangna tapi biasana di jieun tina daging sapi. Cara masakna sabenerna teu patu hararese, komo ayeuna loba bungbu instan nu ges tinggal asupkeun aduk aduk terus jadi. Tapi lamun hayang nyieun anu bener bener bungbu nu kudu di siapkeun bawang bodas, bawang bereum, laja, koneng, eung sajabana eta kabeh di haluskeun teu poho asupkeun pucung. eta kabeh kari di tumiskeun terus asupkeun ka daging sapi nu ges di godog samemehna, berean bungbu uyah pecin jeung sajabana. Rawon ti jawa timur ieu oge salah sahiji makanan khas nu pangkolotna di indonesia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1608", "text": "Melak pepelakan mangrupakeun kagiatan nu boga mangpaat jeung resep jang loba jelema mah. Salian bisa ngahasilkeun bahan pangan sehat jeung bergizi, melak pepelakan oge bisa ngaendahkeun lingkungan nu aya di sabudureun, ngaronjatkeun kualitas udara, jeung ngurangan dampak parobahan iklim. Salian eta, melak pepelakan oge bisa jadi hobi nu bisa ngurangan stres jeung mantuan ngajaga kasehatan mental. Proses melak pepelakan ngabutuhkeun rarancang nu asak, tuluy milih pepelakan anu bener, persiapan anu sae, sarta perawatan nu teratur jeung teterusan. Salian eta, ngagunakeun bahan kimia oge kudu luyu jeung aturan, sarta merhatikeun dampakna kana lingkungan jeung kasehatan jelema. Ku kituna, melak pepelakan bisa jadi alternatif nu alus jang urang minuhan kabutuhan pangan, ngajaga lingkungan, sarta numbuhkeun kacintaan ka alam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9049", "text": "Cilok nyaéta jajanan has Sunda anu bentukna siga baso anu dijieun tina tipung tapioka kalayan bumbu tambahan, kayaning sambel kacang jeung sambel cabe. Bentukna buleud sarta sakapeung dieusi ku isian, kayaning daging, sosis, gajih, abon atawa potongan endog di jerona. Kecap cilok mangrupa singgetan tina kecap basa Sunda, nyaéta aci anu hartina tapioca. Jeung dicolok, nyaéta, lidi anu dicolok kana aci. Pangaranan ieu mangrupa tradisi ngaran dina basa Sunda anu tujuanana pikeun ngagampangkeun ngucapna sarta méré informasi ngeunaan bahan jeung téhnik ngadahar ieu kadaharan. Kusabab gampang ngadamelna, saha waé tiasa ngadame ieu cilok. Ku kituna cilok ogé tiasa jadi ide pikeun dijual di imah, utamana pikeun barudak leutik anu resep jajan, cilok bakal pohara populér lamun dijual di sabudeureun imah.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3588", "text": "Buku ieu ngabahas psikologi survivor. Naha sababaraha kabur ti runtuhna puseur perdagangan dunya salila 9/11 Serangan, sababaraha maot. Anu salamet nalika pesawat nabrak langsung ka bumi. Jalma anu maot sanggeus pesawat nabrak, dititah neruskeun gawé. Lamun nempo flashbacks, éta konyol. Tapi kajadian ieu lumangsung deui jeung deui. Ku kituna bisa dicindekkeun yén kahayang pikeun \"taat ka otoritas\" / \"go with the flow\" geus jadi sipat \"firmware\" manusa sacara umum, anu lumaku dina kaayaan normal. Dina kaayaan musibah mah BEDA CARITA, juragan. Urang kudu bener-bener skeptis ka otoritas, mun urang hayang aman eta gumantung kana tingkat musibah teuing, na, lamun kaluar ngan 6 jam, Anjeun teu kudu ngalanggar aturan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3887", "text": "Donat mangrupa salah sahiji jajanan anu geus aga ti baheula, bentukna buleud tur datar kalawan liang di tengahna. Rasa donat condong hambar, ku kituna donat di daharna bareng jeung gula halus. Ayeuna donat geus loba macem rasa na, aya nu amis bisa make gula, selaibuah, keju, coklat, seres, kacang jeung loba deui rasa lainna aya oge donat nu rasa asin anu pake toping daging hayam, abon, sosis jeung sajabana. Donat teh dahareun anu sabenerna babari di jieun bahan na ngan tipung tarigu jeung bisa di tambah kumeli mun hayang terus cai, endog, susu jeung ragi. Eta kabeh bahan di campur di cicingkeun nepi ka ngembang terus di bentuk tuluy di goreng.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4616", "text": "Kamera ayeuna geus jadi salah sahiji barang anu sigana teu bisa leupas dina kahirupan sapopoe, komo ayeuna era na digital jeung rame rame na social media. Kamera salah sahiji alat anu bisa di pake sapopoe ku batur ameh bisa terus update jeung dunya maya di social media. Keur update urang kudu ngasupkeun foto atawa video. Bahkan jaman ayeuna loba pagawean anu gawena ngagunakeun kamera salian ti fotographer. Tuntutan hirup masarakat ayeuna anu digital pisan jad teu bisa leupas tina kamera, dina handphone oge ayeuna geus di lengkepan ku kamera jadi urang bisa foto foto atawa nyieun video make handphone jeung hasil foto tina kamerana alus.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2748", "text": "Ti perubahan kamera jeung lobana perubahan fisik Poco F4 bakal aya perubahan nu merenah. Mulai ti spésifikasi kaméra POCO F4 ogé disaluyukeun supados smartphone ieu ogé cocog pikeun panyipta kontén atanapi anu resep fotografi mobile. Upami réréncangan parantos nganggo POCO F3 sateuacanna, maka diménsi awak POCO F4 bakal katingali sareng raos kirang langkung sami. Ngan ayeuna mah bisa disebutkeun leuwih modern, ngagunakeun surfaces datar dina dua sisi, sarta ngabogaan modul kaméra pungkur lengkep anyar. Beuratna masih kirang ti 200 gram. Kalayan kandelna ngan 7.7mm, POCO F4 mangrupikeun smartphone POCO ipis ayeuna. Awak karasa padet dina leungeun, sisina henteu rata, alias masih aya kurva 2,5D, jadi juruna teu karasa seukeut. Gampang pas dina saku, tapi cukup ageung pikeun dianggo ku hiji leungeun. Awak pungkur sorangan ngagunakeun permukaan kaca.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "191", "text": "Lamun bosen olahraga leumpang, urang sok olahraga nyapedah. Tapi teu samindeng olahraga leumpang, anu tiap weekend atawa weekday oge kadang-kadang osok. Lamun nyapedah mah paling tina sabulan ge ngan 1 nepi 2 kali. Ti imah sok ngusahakeun mulaina ti jam 6 isuk-isuk, ngameh teu beurang teuing. Jadi sarapan heula 30 menit saacan mulai nyapedah. Balik deui ka imah biasana jam 12 beurang, sabari neangan dahareun jang dahar beurang ngameh di imah teu dahar deui. Lamun rute nyapedahna sok ka alun-alun Bandung atawa ka Dago, komo baheula lamun keur aya car free day pasti ka Dago nyapedah. Lamun diitung-itung mah aya kana 15-20 kiloan sa kali nyapedah teh. Eta ge sabari eueureunan di jalan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "597", "text": "Tips kanggo nu usaha kadaharan tradisional ngameh usahana sukses jeung rame. Nu kahiji kudu gencar promosi, promosi di sosial media ciga masang foto di Instagram atawa Facebook jang nyieun batur tertarik. Atawa bisa nyewa influencer jang ngapromosikeun usaha kadaharan tradisional ieu. Nu kadua kudu pertahankeun ciri khas, boh tina segi tampilan kadaharan, rasa atawa tempat daharna lamun enya boga tempatna mah. Nu katilu kudu menta saran ti nu geus meuli, ieu penting oge jeung jarah dipigawe ku lolobana restoran tradisional, padahal mun aya saran urang bisa meunangkeun rasa nu otentik jeung penyajian nu sarua jeung daerah asal kuliner. Nu terakhir kudu ngajaga kaberesihan, biasana nu meuli bakal balik deui ka restoran nu beresih sanajan dina segi rasa biasa-biasa wae tapi jadi aya nilai tambah sabab beresih tea.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "444", "text": "Qonaah nyaeta ridho ku pamere Allah SWT. Hiji jelema nu mibogaan duit loba, jabatan nu luhur, harta nu loba, ngan teu mibogaan sifat qonaah, manehna bakal tuluy ngarasa kakurangan, sarakah, jeung tangtuna hirupna teu bahagia. Contona hiji jelema nu mibogaan mobil kudu bersyukur lantaran masih loba jelema nu naek motor jeung teu kaduga meuli mobil. Maranehna nu naek motor kudu bersyukur sabab masih loba nu naek sapedah jeung teu kaduga meuli motor. Jelema nu naek sapedah oge kudu bersyukur, sabab masih aya nu leumpang jeung teu kaduga meuli sapedah. Kitu oge anu leumpang, kudu bersyukur sabab masih aya nu teu bisa leumpang, jeung kitu saterusna. Jelema nu mibogaan sifat qonaah nunjukkeun hirupna bahagia jeung teu susah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4636", "text": "Budak lalaki biasana anu leutik keneh lamun di pangmelikeun cocoan pasti milihna robot robotan, eat teh geus jadi naluriah budak lalaki, sarua jeung budak awewe pasti milih na boneka. Cocooan robot salian ti cocoon biasa anu bisa nyieun budak anteng tapi nyoo robot oge ngabogaan manfaat jadi maén robot bakal ngajadikeun barudak diajar éléktronika jeung ngawangun kaahlian maranéhna. Ieu dicandak tina motor atanapi mesin nyetir éléktronik dina robot anu sumber gerakna. Robot robotan bisa dicoo dina sagala umur barudak. Nalika maén robot, aranjeunna tiasa ngajalajah gerakan, konstruksi, beurat sareng kasaimbangan. Dimana kasaimbangan pohara penting pikeun robot, utamana robot kaulinan anu boga dua suku. Éta tempat anjeunna diajar, yén robot peryogi sahenteuna tilu titik grounding disambungkeun supados tiasa nangtung nangtung sareng leumpang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6671", "text": "Hayu urang ngawanohkeun deui camilan khas Sunda nu hiji ieu, camilan anu dimasak dina citakan khusus ieu tos mulai dipohokeun ku barudak ngora. Bandros, camilan anu teu ngan enak hungkul tapi oge sehat lantaran dijieun ku tipung aci anu dicampur jeung tping beas make santen jeung uyah teras dipurulukan kalapa. Rasa bandros bener-bener gurih jeung lembut di jero tapi garing di luarna. Cara masak bandros oge khusus kedah nganggo katel anu bentukna sapertos satengah bunderan sapertos bulan sabit. Dina proses masakna, bandros pasti ngauarkeun bau anu seungit pisan. Saha wae anu ngambu seungitna pasti langsung hoyong nyobian. Ngan hanjakalna bandros masih keneh jarang kreasina, janten urang tiasa gampang bosen ngaemamna, padahal lamun dikreasikeun pasti bisa leuwih nikmat deui, misalna dipasihan toping keju mojarela, atawa dieusi ku sosis jeung baso.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4096", "text": "Abdul Malik, nama kecil Hamka, lahir pada 17 Februari 1908 di Tanah Sirah, kini masuk wilayah Nagari Sungai Batang, Kabupaten Agam, Sumatra Barat. Keur umurna 12 taun, Malik nyaksian cerai kolotna. Sanajan bapana taat kana agama, dulur-dulur ti indungna tetep ngalaksanakeun tradisi anu teu luyu jeung ajaran Islam. Poé kahiji sanggeus kolotna cerai, Malik bolos sakola. Anjeunna meakkeun waktos ngurilingan kampung. Malik sering ngumbara jarak jauh sorangan, ngumbara ka sababaraha tempat di Minangkabau. Bapana masihan julukan \"si bujang jauh\" sabab anjeunna sering jauh ti kolotna sorangan. Umurna kakara 15 taun, Malik geus boga niat indit ka pulo Jawa. Manéhna kabur ti imah, teu kanyahoan bapana. Gerakan Islam di Jawa gedé pangaruhna ka Malik. Tina pangalamanna di Yogyakarta, anjeunna manggihan Islam salaku hiji hal anu hirup, perjuangan sareng ngadegna dinamis. tapi lamun umat Islam di Minangkabau ditarik kana perdebatan ngeunaan prak-prakan ritual Islam, anjeunna mendakan organisasi gerakan sareng tokoh di Jawa fokus kana perjuangan pikeun ngamajukeun umat Islam tina katerbelakangan sareng penindasan. Mulai ti dinya Malik atawa Buya hamka mulai bertekad keur ningkatkeun Islam Muhammadiyah di Minang. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1593", "text": "Harita pas banjir nu lumayan gede di daerah urang, urang teu ngantisipasina nepikeun imah teh kakeueum ampir satengahna. Didinya nu paling dipikaduhung mah nyaeta berkas atawa dokumen penting urang jeung kulawarga. Siga akte kalahiran, paspoe, akte, jeung ijazah. Kabeh leungit kabawa ku banjir. Anu tungtungna mah urang kudu nguruskeun deui pas geus beres banjir. Jadi ayeuna mah ku urang geus disiapkeun khusus di mana aya kondisi banjir deui moal kaleungitan da geus di wadahan, jeung diteundeunna oge di tempat anu luhur. Jadi mun banjirna tiba-tiba peuting, masih keneh aman. Alusna oge tempat neundeunna anu tahan cai, ngarah teu baseuh kakeunaan ku cai.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "829", "text": "Lalu Muhammad Zohri salah sahiji atlet sprint Indonesia anu meunangkeun kejuaraan dunia Atletik U-20 pas taun 2018 di Tampere Finlandia. Harita loba warta seliweran boh dina media sosial atawa dina TV. Saacanna mah teu loba nu wanoh ka atlet hiji ieu, da tara di sorot ku media. Tapi pas manehna meunang, ngaranna jadi ngalambung di media-media Indonesia. Masarakat Indonesia oge langsung panasaran ku pamuda nu usiana 18 taun ieu. Sanajan lain unggulan di kejuaraan dunia, tapi manehna berhasil ngabuktikeun yen manehna layak ditinggali ku dunia teu dianggap enteng. Tangtuna urang salaku pamuda generasi bangsa kudu boga sumanget kawas Zohri ieu nu pantang menyerah nepikeun ngabuktikeun ka dunia bahwa manehna oge bisa juara.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5315", "text": "Nina jeung Reni bakal janjian jang buka bersama di Masjid Raya Unpad atau nu sering dikenal ku sebutan MRU. Nina nungguan di halte payuneun ATM center. Sedengkeun Reni nembe angkat ti kostan nana. Saberes Reni jeung Nina pendak, langsung we ka MRU terus diuk di palataran nana. Pas lebet waktu buka puasa, Nina jeung Reni buka heula ngangge takjil nu disadiakeun ku MRU, tuluy sholat magrib. Beres sholat magrib duaan eta meser jajanan ka gerlam. Tos kenging jajanan mah duanana tuluy uih we ka kostan masing-masing kangge tarawehan di masjid caket kostan nana. Biasana duaa ieu teh sok ngahajakeun datang ka MRU kangge moro takjil gratis hungkul.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7408", "text": "Rafting atawa arung jeram nyaeta kagiatan nulusuran bagian-bagian saluran walungan anu ngarambat, ngagunakeun sababaraha wahana. Anu dimaksud wahana arung jeram nyaeta sarana/parabot nyaeta ku parahu karet, kayak, kanu jeung dayeuh. Aya lumayan seeur parabot diperlukeun pikeun ngalakukeun arung jeram. Kahiji, tangtosna, parahu. Sacara umum, bahan anu dianggo pikeun parahu ieu nyaeta PVC sareng nilon. Dumasar kana jenisna, aya parahu arung jeram anu boga liang pikeun ngocorkeun cai, ku kituna lamun aya cai dina parahu bisa langsung dikaluarkeun deui. Sajaba ti eta, palampung oge kaasup parabot kaamanan utama anu teu meunang tinggaleun pikeun ngajaga awak ngapung dina cai nalika urang murag kana cai.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2409", "text": "Tari Jaipong nyaéta jenis tarian anu asalna ti Jawa Barat. Tari Jaipong mimiti mekar di wewengkon Karawang jeung Bandung.\r\nTari ieu mangrupa gabungan tina sababaraha kasenian tradisional saperti Wayang Golek, Pencak Silat, jeung Ketuk Tilu. Ku kituna, Tari Jaipong ahirna kasohor ku gerak-gerakna anu pohara enerjik, unik sarta basajan. Béda jeung tarian tradisional séjénna, Tari Jaipong miboga ciri husus, utamana dina tari Jaipong gaya Kaliran, nyaéta kabungahan, érotisme, humanisme, gairah, spontanitas jeung kasederhanaan. Ciri-ciri tari jaipong ieu katémbong dina pola penyajian tarian, diantarana dibéré pola (pola ibing) saperti kasenian jaipongan anu mekar di Bandung. Salian ti éta, iringan alat musik degung bakal nambahan suasana nu meriah ku kituna réa nu milu nari bari lalajo tarian ieu.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6472", "text": "Salah sahiji hal nu bisa dilakukeun dina nambah penghasilan teh nyaeta muka usaha babarengan. Usaha nu dirintis babarengan teh salian bisa nambah penghasilan, oge bisa nambahan kapercayaan jeung kaharmonisan dina hubungan pernikahan. Loba pisan pasangan nu milih usaha jadi sumber penghasilan utama dina keluargana. Lolobana teh usaha nu dipasarkeun lewat media online jiga marketplace, jeung sajabana. Sagala rupa usaha nu dikelola jeung pasangan teh bakal berjalan lancar mun silih dukung jeung silih handle. Teu jarang pasangan nu nikah muda oge milih usaha jang jadi kagiatan sapopoena dina nambah penghasilan. Sok aya nu suamina damel, istrina ngajalankeun usaha ti imah. Tah ieu salah sahiji contoh ngajaga kaharmonisan ku cara nu saderhana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8638", "text": "Hirup sareng pasangan anjeun kanggo waktos anu lami tiasa nyababkeun bosen sareng monoton dina hubungan. Nanging, aya sababaraha cara anu anjeun tiasa lakukeun supados anjeun henteu bosen hirup sareng pasangan anjeun. Ngawangkong sareng pasangan anjeun ngeunaan kabutuhan sareng harepan masing-masing dina hubungan tiasa ngabantosan ningkatkeun kualitas hubungan. Contona, nyawalakeun kagiatan atawa hobi nu rek dilakukeun babarengan. Nyadiakeun rohangan pikeun mitra pikeun ngalakukeun kagiatan atanapi hobi anu aranjeunna pikaresep tiasa ngabantosan ngirangan bosen sareng setres dina hubungan eta. Ilubiung dina kagiatan anu dilakukeun ku pasangan anjeun, sapertos ngadatangan acara kulawarga atanapi babaturan tiasa ngabantosan nguatkeun hubungan anjeun sareng ningkatkeun rasa komunitas anjeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "875", "text": "Mun olahraga nyapedah tangtuna samemeh nyapedah teh kudu ditinggali heula kondisi sapedah nu rek dipake. Mulai ti ngecek ban, rante, jeung kaberesihanana. Ieu penting lantaran bisa wae pas keur nyapedah ban teh kempes, pastina hese deui komo mun nyapedahna teh ka tempat anu sepi siga gunung. Biasana samemeh nyapedah ku urang ban teh geus dikompa heula ka bengkel motor da biasana sok nyadiakeun kompa kanggo ban. Sanajan bengkel motor loba ayeuna mah, tapi leuwih alus mah urang oge mawa kompa sorangan. Lantaran pernah kajadian nyapedah ka tempat anu sepi siga gunung euweuh tukang bengkel. Alhasil didodorong sapanjang jalan nepikeun ka manggihan bengkel. Alusna mawa kompa sorangan teh meh kajadian kawas kitu bisa diatasi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3910", "text": "Ayeuna alat masak atawa parabot dapur teh makin loba wae pilihan jjeung rupa- rupa na teramsuk kompor. Jaman baheula mun rek ngasakan dahareun kudu neangan kai paranti masak nu di sebut hawu. Kadieu na aya kompor sumbu nu make minyak tanah keur bahan bakarna saengeus eta gara - gara minyak tanah mulai langka jeung mahal, kabeh nu make minyak tanah harita di pindahkeun kudu make gas nepi ka ayeuna. Kompor gas emang leuwih praktis pamakean nana, masangkeun na babari, make na babari tinggal ceklekeun jeung ka itung leuwih irit mun make kompor gas. Aya deui kompor listrik nu leuwih babari jeung praktis ti batan kompor gas, tapi kakurangan kompor listrik nyaeta mahal. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2771", "text": "Kumaha cara kuring milarian siaran radio sacara otomatis dina spiker Bluetooth atanapi dina radio anu henteu gaduh tombol tuning puteran? Metoda sabenerna gampang, tapi kadang metoda teu didaptarkeun dina manual. Pikeun milarian siaran radio sacara otomatis, mangga lebetkeun mode radio heula. Biasana ku mencét tombol M landian Mode. Pastikeun ogé anteneu radio diangkat. Upami teu aya anteneu anu diwangun, anjeun tiasa ngagantelkeun kabel carjer. Kabel carjer ogé boga fungsi minangka anteneu. Sanggeus éta pencét lila tombol play. Teras siaran radio di daérah éta bakal otomatis dipilarian sareng disimpen. Upami anjeun hoyong milarian deui siaran radio, anjeun tiasa pencét tombol play deui sakedap. Pikeun pindah antara saluran radio, anjeun tiasa nganggo tombol salajengna atanapi sateuacana. Upami alatna gaduh tombol nomer, anjeun tiasa pencét tombol nomer.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2690", "text": "Anu mimiti lalajo pertandingan baskét nyaéta turnamén antar sakola, nyaéta DBL (Development Basketball League). Sapertos turnamén futsal, panitia turnamén baskét ogé miwarang sakola pikeun ngagerakkeun suporter. Jeung jujur, suasana pertandingan basket sakola leuwih meriah tibatan futsal. Anu matak meriah téh tangtuna ayana suporter sabab nyadiakeun hiburan sorangan, malahan némbongkeun kréativitasna. Tah, padahal tim sakola kuring teu meunang dina pasanggiri baskét. Waktu keur di Jogja, kuring oge nongton pertandingan basket DBL jeung babaturan, malahan tujuanna 'refresh' jeung 'cuci mata'. Saleresna abdi oge hoyong nonton pertandingan badminton langsung. Tapi hanjakal masih teu kahontal nepi ka ayeuna. Sanajan kungsi aya kasempetan pikeun lalajo badminton nalika Kajuaraan Remaja Dunia dilaksanakeun di Yogyakarta taun 2017, tapi hanjakal harita kuring kungsi kagiatan salila sabulan. Éta sababna kuring gagal ningali éta, sanaos kuring parantos ngarencanakeun éta ti mimiti kuliah.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4270", "text": "Loba dahareun khas nu enak enek di indonesia ieu, aya nu sederhana nepika rieuh di jieun atawa di teangana. Nu babari di tasikmalaya aya nu ngarasa sangu TO atawa tutug oncom. Sangu tutug oncom ngajieuna babari pisan da ngan sangu anu di campur adukeun jeung sambel oncom. Sambel oncom nu di jieun tina oncom nu ges di ancurkeun terus di goreng nepi ka garing bari di bumbuan biasana bumbuna cabe jeung cikur. Rasa na lada jeung asin, Sangu tutug oncom bisa di dahar jeung deugeun nu sejena ayam goreng, tempe, tahu, lalab jeung sajabana. Babari pisan manggihan sangu tutug oncom ieu, jeung sangu tutug oncom ieu biasa di panggihan iraha wae ti isuk isuk mun rek sarapan nepi ka mun lapar tengah peuting. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7093", "text": "Sholat Jum’at nyaeta shalat anu khusus pikeun umat Islam anu dilaksanakeun sacara khusus dina dinten Jum’at sareng salaku gaganti shalat lohor. Solat Jum’at sorangan dilaksanakeun sacara berjamaah jeung ngalaksanakeun shalat Jum’at téh janten kawajiban pikeun lalaki muslim lalaki anu geus baligh. Lantaran solat Jum’at dilaksanakeun sacara berjamaah, aya niat pikeun solat Jum’at pikeun imam jeung jamaah kalayan lafal anu beda-beda. Harti solat Jum’at atawa anu leuwih akrab jeung jujuluk “Jumaahan”, nyaeta salah sahiji ibadah anu wajib dilaksanakeun. Sholat Jum’at diwajibkeun pikeun lalaki muslim sareng mangrupikeun sunnah pikeun awewe. Ku sabab, utamana pikeun kaum wanoja, nalika datang waktu ngalaksanakeun solat Jum’at, geus cukup pikeun ngalaksanakeun solat Zuhur saperti biasana. Matak teu aneh, sacara umum paham kana solat Jum’at teh ibadah wajib pikeun lalaki.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2001", "text": "Liburan sok sinonim sareng kagiatan di luar bumi sareng kulawarga, nganjang ka tempat wisata sareng ningkatkeun stock poto pikeun bahan média sosial urang. Nyaan senang. Abdi sareng kulawarga resep wisata, khususna pantai. Tapi sakapeung nalika kuring liburan, kuring nyéépkeun waktos ngan ukur nganggo kasur sareng sare anu sanés. tah tapi lamun heuteu jadi libur tea mah, abdi ayeunamah leuwih sering jang produktif nyaeta pertama :\n1. Diajar basa asing atanapi nyandak tés TOEFL. Mun teu boga duit, diajar make aplikasi di Play Store, mun ngarasa mampu, ajarkeun ka ponakan atawa budak SD di kampung. Mugia pangaweruhna langkung diasah sareng tiasa ngulinkeun kaparigelan basa Inggrisna.\n2. Diajar nulis karangan, sabab diajar nulis karangan bakal ngabantosan anjeun langkung peka kana kaayaan di sabudeureun anjeun. Jeung hasil tulisan bisa dikirim ka portals warta online, bari nambahkeun duit saku.\n3. Mantuan kana tugas rumah tangga. Lamun teu boga kahayang hayang diajar basa deungeun, teu aya salahna pikeun mantuan karya indung anjeun di imah. Naha ngalereskeun kamar mandi / cai keran washafel, nyeuseuh baju atanapi nyeuseuh piring. Ngalakukeun matematik bari latihan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1632", "text": "Di Jakarta aya transportasi umum nu ngaranna teh MRT. MRT ieu teknologi nu paling anyar nu dipiboga ku Indonesia. Cara naekna urang cukup asup ka stasiun MRT nu paling deukeut. Lantaran MRT jalanna di handapeun taneuh, jadi urang ge engke bakal turun tangga. MRT ieu datangna tepat waktu, jadi kudu luyu jeung jadwal urang. Urang teu kudu pesen ngaliwatan online, cukup ngadatangan wae stasiun MRT. Mun geus asup stasiun urang kari nungguan MRT ngaliwat tuluy engke asup. Geus asup usahakeun urang langsung diuk jeung ulah ngobrol, boh eta ngobrol jeung babaturan di gigireun, atawa ngobrol ngaliwatan telepon. Mun kanyahoan ngobrol biasana urang dicarekan ku petugasna titah cicing.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "953", "text": "Kamera mirrorless nyaeta kamera nu teu mibogaan kaca atawa jendela bidik optik siga kamera DSLR, tapi kualitas gambarna satara sabab image sensor nu digunakeun oge sarua gedena. Ku sabab kitu, ukuran kamera mirrorless leuwih leutik jeung hampang tibatan kamera DSLR nu bisa ganti lensa. Ku teknologi ayeuna, kamera mirrorless aya ku bodi nu leuwih rupa-rupa jeung kisaran sensor nu rupa-rupa oge. Beuratna ngan 383 gram, kamera ieu emang dirancangna jang ningkatkeun stabilitas pas keur dicepengan. Dina kamera ieu aya oge monitor LCD tukang nu leuwih ipis 1,3 mm. Dilengkepan oge ku tuas fokus nu ngajadikeun pengoperasian kamera leuwih gancang. Biasana kamera ieu warnana hideung jeung silver.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5329", "text": "Habib Husein Jafar atawa nu sering dikenal ku sebutan Habib Jafar mangrupakeun salah sahiji tokoh agama nu lekat pisan jeung milenial. Anjeunna janten salah sahiji tokoh agama nu dipikaresep ku generasi milenial. Unggal nyampaikeun elmu, anjeunna selalu ngangge bahasa anu sederhama, simpel, jeung babari pisan ditarima ku nu ngadangukeun nana. Pembawaan na santai jeung teu ngadikte. Mun biasana tokoh agama sok nyampaikeun elmu make bahasa nu jarang familiar, tah Habib Jafar mah malah milarian bahasa sasederhana mungkin supaya bisa dipahami ku saluruh jamaah. Penamplan Habib Jafar oge teu jiga tokoh ulama nu sejen, anjeunna ngangge pakean nu simpel tapi emang pakean nu ngarepresentasikeun umat muslim. Mun debat, anjeunna cenderung ngangge pendekatan logika jeung analogi, janten katarima pisan sagala jawaban na teh da memang leres ayana dina akal.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5055", "text": "Neng Dini jeung rerencangannana tos gareulis pisan, nuju nungguan bakekok di payuneun bumi. Sok aya bakekok nu mawa budak kukurilingan ka lembur tatangga atawa ngaliwat ka tengah kota. Bakekok nyaeta mobil nu direka-reka dugi ka rame, jeung tempat diukna dijajarkeun ka tukang. Nu naek bakekok teh sanes budak hungkul, tapi oge aya kolot nu ngadampingan anakna. Neng Dini osok naek ieu angkutan wisata unggal burit. Itung-itung ngabuburit, mayar lima rebu oge bisa nyengcle sawaregna ngurilingan lembur tatangga. Biasana mun uihkeun teh Neng Dini mah sok bobo, jadi kedah di pegat ku kolotna. Aya oge nu sok ngadat sabab hoyong keneh puputeran momobilan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6503", "text": "Hubungan baik jeung babaturan teh kudu pisan dijaga. Hiji hal penting nu jadi konci dina hubungan baik teh nyaeta kapercayaan. Mun geus jadi babaturan mah kudu geus bisa silih percaya kana sagala hal, ulah nepi ka silih sangka. Mun kapercayaan geus tumbuh mah bakal panceg dina hubungan babaturan teh. Mun kapercayaanna can kabentuk mah bakal silih tuduh, komo paling parah mah babari diadu dombakeun ku batur. Mantakna, kapercayaan ka jalma teh kudu pisan dijaga sabab bakal hese numbuhkeun nana, komo mun geus codat mah bakal leutik kamungkinan jeung percaya deuina. Kapercayaan teh jadi barang berharga nu oaling tinggi nilaina dima hubungan babaturan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7021", "text": "Sedekah, salah sahiji amalan anu dianjurkeun ku agama. Dina Al-Qur’an Allah SWT nyebatkeun yen jalma-jalma anu migawe kahadean bakal meunang ganjaran anu hade oge. Malah, sedekah oge tiasa janten jalan pikeun meunangkeun kabagjaan jeung katengtreman dina kahirupan. Sedekah oge gaduh seeur pisan kautamaan, nyaeta ngadekeutkeun urang ka Allah SWT. Kalayan ngalaksanakeun amal soleh, jalmi bakal nampi ganjaran anu ageung ti Allah. Anu kadua nyaeta janten sumber kabagjaan. Ngabagikeun ka batur bakal ngajantenkeun jalma anu ngalakukeun kahadean ngarasa bagja. Sedekah oge tiasa janten jalan pikeun mukakeun panto rezeki. Ku ngalaksanakeun amal soleh, jalma bakal tumuwuh rasa hormat jeung kaabdian ka Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8079", "text": "Jalma nu resep lumpat tangtos kantos ngarasakeun ieu. Upami keur lumpat dada teh rasana engap teras napas jadi leuwih gancang. Upami tos nepi ka batas maksimal awak urang tiasa lumpat, suku mulai ngaderegdeg, dada engap, sareng panon caang poek. Upami tos kitu urang kudu eren teras atur pernapasan tur reureuh. Eta teh tiasa kajadian kusabab asupan oksigen ka otak kirang. Biasana urang bakal ngarasakeun mual-mual oge. Nanging babaraha menit saatos reureuh sirah karasana ngeunaheun pisan geutih di sirah teh siga ngalir lancar nyieun pikiran urang janten fokus. Babaraha jam atanapi sapoe saatos lumpat awak urang tiasa ngarasa leuwih sehat tur seger buger.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1874", "text": "Di Bandung aya goreng emam di sisi jalan nu disebut Nasi Goreng 'Gondrong' di wewengkon dekeut jalan Siliwangi, samemeh Sabuga ITB. katelah longish sabab nu masak téh longish, keur masak basa sanajan jarak cabé jeung uyah tina pot masak kurang leuwih 2 m. Tapi tong hariwang, Bang 'Gandrong' licik bisa ngalungkeun 1 séndok uyah jeung cabé masing-masing kana panci. Anjeunna ngalakukeun sagalana tanpa parobahan digasruk-gasruk, dioseng-oseng, tambahan kecap jeung endog. saenggeus eta di saeutik atraksikeun pas ngabikeun emam goreng ka piring na sewang-sewang, jang kuring mah pikeun 15 rebu urang bisa ngarasakeun goreng mam nu ngeunah jeung loba mah wani pisan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "864", "text": "Naek gunung jadi salah sahiji kagiatan anu ekstrem sakaligus ngabungahkeun. Sabab pas geus nepi puncak urang bisa ninggali pemandangan nu henteu unggal poe bisa ditinggali. Tapi tangtuna butuh perjuangan bisa nepikeun ka puncak teh. Teu kabeh bisa nepi puncak komo anu fisikna rada lemah mah, nu aya kalakah ka pingsan. Soalna pernah kajadian basa naek gunung jeung babaturan nu can biasa, manehna kalakah utah jeung katirisan ku sabab cuacana nu teu nangtu. Kondisi fisik kudu diperhatikeun ceuk urang mah, ulah ngagugulung kana egois sabab hayang ngeunahna pas ninggali puncak, tapi kudu oge nyiapkeun dina ngajalankeun proses naek gunungna. Jadi mun sakirana teu kuat jeung kondisi fisik teu prima mendingan ulah naek gunung.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1964", "text": "Obyek wisata Majalengka tétéla mibanda sababaraha tempat wisata anu pikaresepeun tur instagramable anu kiwari geus mimiti kataji ku wisatawan lokal, salah sahiji obyek wisata Majalengka anu keren sareng populer nyaéta Paralayang Majalengka nu ker baheula dijadikeun tempat lomba paralayang nasional atawa manca nagaraanu tiasa janten pilihan upami anjeun hoyong ngaraosan sensasi liburan anu nangtang sareng pikaresepeun. Sakumaha ngaranna nunjukkeun, kagiatan anu anjeun tiasa laksanakeun nalika ngumbara ka tempat ieu nyaéta nyobian paralayang. Upami anjeun resep olahraga anu merangsang adrenalin kusabab anjeun balap dina jangkungna, maka disarankan pikeun nyobian Paralayang Majalengka ieu. Ngarasakeun sensasi ngalayang sareng ngalayang nganggo parasut anu pasti bakal ngajantenkeun pangalaman éta tiasa diinget oge nyiptakeun jantung deg deg.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1977", "text": "Bandros anu kuring terang mangrupikeun kueh khas Jawa Barat anu sering kuring resep sareng kabeneran ogé aya di gigireun Stasiun Beus. Kue bandros. Namung nu ayeuna bade kuring Informasikeun Bandros atanapi Bandung tour on beus nyaéta beus dimaksudkeun pikeun wisatawan. Penampilan beus ieu teu sarua jeung beus umumna, sabab beus Bandros boga warna permen anu témana art deco. Beus Bandros ngaliwat. Abdi oge kageuing ku informasi anu ditepikeun, ti mimiti sajarah Bandung, sababaraha sakola anu gedong legendaris di Bandung harita nepi ka SMA vokalis Iwan Fals, Gedong Asia Afrika, Ruang Lapas Bung Karno pengasingan. , Stasion Karéta Api, Gedung Sate nepi ka ngaliwatan titik enol Bandung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "107", "text": "Lamun orang luar Bandung rek wisata ka Bandung, kudu merhatikeun sababaraha tips nu kudu dipikanyaho ngameh liburan jadi rame. Kahiji, siapkeun rencana perjalanan, jadi tangtukeun rek wisata kamana wae salila di Bandung ngameh waktuna efisieun. Kadua, pilih transportasi anu nyaman. Mulai ti beus, kereta api, nepika kendaraan pribadi, intina sasuaikeun jeung budget sewang-sewangan. Katilu, nu penting oge kudu milih tempat mondok anu deukeut ka tujuan wisata, ngameh ngahemat waktu perjalanan. Kaopat, mangkatna mending ti isuk-isuk lantaran lamun beurang mah sok macet komo deui pas musim liburan mah. Terakhir, ulah poho jang wisata kuliner, soalna Bandung loba wisata kulinerna lamun diliwatkeun lebar.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7973", "text": "Di Indonesia, aya seeur angkutan umum anu biasa dianggo, diantarana nyaeta aya damri, angkot, ojek, beus, nepikeun kareta. Salah sahiji angkutan umum anu mineng dianggo nyaeta angkot. Ti baheula angkot janten pilihan angkutan umum lantaran ongkosna anu leuwih mirah tibatan angkutan umum anu sanesna. Kanggo jalmi anu bade iinditan ka tempat anu teu pati jauh, tiasa nganggo angkot. Baheula mah sateuacan pangaos bengsin naek, ongkos angkot teh ngan dua rebu lamun sakali jalan, janten mirah pisan. Angkot oge mineng dianggo ku barudak sakola jeung ubu-ibu anu bade angkat ka pasar. Biasana lamun poe Senin isuk-isuk angkot geus pinuh ku barudak sakola make baju barodas. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2656", "text": "Dina waktos ayeuna, abdi masih kipas badag tina Ran Takahashi. Abdi teu ngawangkong ngeunaan penampilan, ganteng téh bonus. Tapi kaahlianana anu ngajadikeun kuring idola anjeunna. Salah sahiji atlit voli ngora nu geus jadi hiji sakabéh rounder. Service, serangan, set, meungpeuk, narima, dig téh kabéh meuli nepi. Geus biasa teuing ningali ngaranna dina jajaran luhur statistik tim sanggeus hiji pertandingan. Mimitina kuring ogé rada reuwas ningali Ran gaduh karir di Italia tapi jabatanna henteu deui OH, tapi salaku Libero. Tapi panarimaan bal estu alus, utamana lamun nempo dig, éta satisfying. Set palsu sumawona. Janten di timnas Jepang, anjeunna tetep OH, hehehe. Tadina mah teu linglung ka Ran basa Twitter pinuh ku olimpiade, kuring oge teu pati resep kana voli, salain ti Haikyuu. Tapi anu ngajantenkeun kuring resep voli 'nyata' nyaéta Yuji Nishida. Laun-laun eta jadi ancaman konstan ka timnas Jepang sakabéhna, lajeng tim voli séjén kawas Italia, Brazil, jsb. Lajeng atlit favorit abdi nyaeta Ran Takahashi.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "952", "text": "Kamera polaroid salah sahiji kamera anu unik. Beda jeung kamera DSLR anu fungsina jang moto gambar nu kualitasna profesional, kamera polaroid mah tujuanna leuwih ka nu hayang foto-fotona fun. Bentuk kamera polaroidna oge lucu, desain dina kamera ieu aya rupa-rupa mulai ti bentuk jeung warna anu beda-beda. Salian eta bisa oge dilengkepan ku rupa-rupa aksesoris anu unik, siga hardcase anu bisa hurung pas keur dinu poek atawa bisa make kantong kulit. Salian ti eta, refill filmna oge aya dina rupa-rupa desain. Warna kamerana oge mibogaan warna nu nyentrik, beda jeung kamera nu sejen nu rata-rata warnana hideung. Mun kamera polaroid mah aya nu warna biru, hejo, kayas, koneng, jeung sajabana. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5840", "text": "Tilu rekomendasi laptop Asus harga tilu jutaan. Nu kahiji nyaeta Asus E203MAH-FD013T. Laptop asus ieu dibanderol dina harga 3,1 jutaan. Layarna kabilang leutik jeung compact nyaeta 11.6 inci. Prosessor na make Intel Celeron N4000 nu didukung ku 2 GB RAM. Nu kadua nyaeta Asus A407MA-BV001T. Laptop ieu ngagaduhan layar 14 inci nu didukung ku prosessor Intel Celeron N4000. RAM na 4 GB jeung didukung ku penyimpanan internal 1 TB. Laptop ieu dibandeeol dina harga 3,6 jutaan. Nu katilu nyaeta Asus E210MA. Laptol ieu ngagaduhan layar 11,6 inci nu didukung ku prosessor Intel Celeron N4020. RAM na 4 GB jeung penyimpanan internal na 256 GB. Laptop ieu dibanderol dina harga 3,8 jutaan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7468", "text": "Lamun baheula urang ngagoreng make minyak atawa pasir, jaman ayeuna urang tiasa ngagoreng tanpa minyak. Aya hiji alat anu tiasa dianggo ngagoreng tapi teu kedah nganggo minyak goreng, nyaeta air fryer. Air fryer nyaeta alat masak pikeun ngagoreng rupa-rupa kadaharan tanpa ngagunakeun atawa ngan ngagunakeun minyak sakedik. Uap panas anu dihasilkeun ku alat ieu bakal ngabantosan proses ngagoreng atanapi masak tuangeun. Sabab tanpa ngagunakeun minyak, kadaharan anu dipasak make air fryer dianggap leuwih sehat. Sanaos kitu, henteu sadayana bahan pangan tiasa dimasak nganggo alat ieu. Tuangeun anu biasa digoreng make air fryer contona naget, sosis, tempe, tahu, kentang, hayam, risoles, jeung sajabana. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "908", "text": "Sengoku Basara salah sahiji game nu aya di Play Station. Game ieu game legend, pasti nu maen PS pernah maenkeun game ieu. Ku naon bet resep maen game ieu, sabab game na teh kaasup kana kategori game petualangan. Jadi urang ngalawan bos-bos nu aya di game na ngagunakeun hiji karakter. Nu unikna teh tiap karakter mibogaan gaya gelutna sewang-sewangan, jeung ulti nu beda-beda, kaasup senjata nu dipake oge beda-beda. Teu ngan kitu hungkul, mun urang geus namatkeun maen game nu make hiji karakter, urang oge bakal meunangkeun skin atawa baju anyar jang karakter nu ku urang pake. Kaleuwihanna oge game ieu bisa dimaenkeun ku dua orang, jadi bisa maen bareng jeung babaturan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5398", "text": "Upacara melukat nyaeta salah sahiji upacara kaagamaan umat Hindu nu dilaksanakeun di Pulau Dewata, Bali. Upacara melukat diyakini bisa ngusir aura negatif jeung bawa kasegeran jeung aura positif dina diri urang. Akhir-akhir ieu seueur artis nu ngalaksanakeun upacara melukat. Nu menarikna, melukat dilaksanakeun sanes wae ku umat Hindu, tapi oge orang lintas agama. Artis-artis nu sempet nyobian upacara melukat nyaeta Pevita Pearce, Jessica Iskandar, Nikita Willi, Raline Shah, Ariel Tatum, jeung loba deui nu sejenna. Sabagean besar artis nu ngalaksanakeun upacara melukat teh sanes pengikut agama Hindu, tapi lintas agama. Para artis ngadugikeun yen saberes ngalaksanakeun upacara melukat teh ara di tubuhna jadi leuwih positif, pikiranna jadi seger, jeung jauh tina kanegatifan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5383", "text": "Maca Al-Qur'an mangrupakeun hiji parentah Allah SWT nu ganjaran nana luar biasa hebat. Rasulullah SAW ngajelaskeun yen umat muslim nu maca Al-Qur'an sahiji huruf, bakal diganjar ku sapuluh kebaikan. Maca Al-Qur'an nu lanca atawa terbata-bata oge angger kenging pahala nu sami. Komo mun dugi ka ngahafal surah-surah nu aya dina Al-Qur'an, pahalana teu maen-maen. Mun umat muslim hafidz atanapi hafal 30 juz, maka jaminan kangge anjeunna nyaeta surgana Allah SWT. Tong ngarasa isin sabab macana terbata-bata dina usia nu teu deui ngora, nu penting mah niat urang kangge ibadah jeung ngaharepkeun ridhona Allah SWT. Yuk urang biasakeun rajin maca Al-Qur'an, supaya hirup urang meunang pahala jeung kalancaran dina sagala hal. Tong isin diajar Al-Qur'an dina usia kolot ge, da diajar mah teu kenal usia jeung moal aya tamatna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6735", "text": "Lembang kasohor ku tempat wisata au seeur jeung cocok kanggo didatangan sareng kulawargi. Aya hiji tempat anu gaduh pintonan anu sae, komo keur nu resep kembang. Orchid Forest atawa hutan anggrek mineng didatangan ku wargi Bandung jeung wargi tu luar Bandung. Tempat ieu sae kanggo popotoan. Tempat ieu kaasup ekowisata, aya saratus lima puluh koleksi jenis kembang anggrek anu asalna ti kabeh belahan dunia. Aya nu ti Amerika, Peru, nepi keun ti Papua oge aya. Tempat anu buka ti tahun 2017 ieu didatangan ku turis ti Indonesia jeung mancanegara. Tiket asup ka tempat ieu opat puluh rebu. Di dieu oge aya arena ulin jang barudak.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8086", "text": "Tos seueur cara urang mesen tiket pikeun lalajo bal di stadion. Salah sahiji cara mesen tiket bal teh nyaeta nganggo aplikasi tiket.c0m. Cara mesen tiket pikeun lalajo bal di aplikasi ieu nyaeta, kahiji urang download heulat teras asup ka jero aplikasina. Di menu pencarian teangan pertandingan nu bade dilajo, contona AFF Mitsubishi Electric Cup 2022 Indonesia vs Thailand. Teras pilih rupi tiket nu dibade tur jumlah tiketna. Tinggal pesen tur eusian data diri sapertos ngaran, alamat email, sareng no KTP. Bayar teras antosan tiket nu dikirim liwat email nu dianggo sawaktos mesen. Pembayaran leuwih gampil kusabab seueur metodena. Tinggal dongkap ka stadion tur lalajo.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4998", "text": "Bayem nyaeta salah sahiji sayuran dangdaunan hejo anu loba kandungan Vitamin A jeung zat besi na. Bayem biasana diolah jadi sayur dibaturan ku jagong jeung wortel. Kandungan vitamin A dina bayem sae pisan kangge kasehatan mata. Kandungan zat besi na bisa ngurangi atawa nyegah anemia, loba oge kandungan zat lain nu gede manfaatna jang kasehatan. Sayur beyem biasana dipikaresep pisan ku budak leutik nu emang hese ngaemam sayur. Alasan na teh sok ceunah beh jiga Popeye ototna gede. Jadi we barudak teh sok paribasa hoyong mam sayur Popeye. Tah sayur bayem ge sae dikonsumsi ku lansia sabab seueur zat nu berguna jang kasehatan jeung kakebalan awak. Ku kituna, yuk ah urang biasakeun nuang sayur, salah sahiji sayur simpel na nyaeta saur bayem.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4574", "text": "Carana maén game ieu pisan gampang, tapi inget yen unggal waktu anjeun level up, tantangan bakal leuwih dibaca. Pamaén ngalakukeun cocog jeung permen warni nu geus disadiakeun. Lajeng pamuter nu cocog 3 atawa leuwih tina permen sarua pikeun meunangkeun permen husus nu gunana pikeun cocog jeung permen tina kelir séjén. Sareng ieu kumaha midangkeun Candy Crush Saga. Grafik jeung animasi visual anu disajikeun ku games ieu henteu jauh béda ti nalika mimiti dirilis dina Facebook nepi ka ayeuna gaduh grafik anu lucu sareng henteu gampang ngabosenkeun pamaén. Kalayan téma permen warna-warni, épék sora anu lucu sareng pikaresepeun sareng sora sora. Henteu hilap animasi visual anu variatif sareng lucu anu ngajantenkeun pamaén betah maénna sanaos aranjeunna kedah mikir tambahan pikeun ngarengsekeun unggal tingkat. Kaulinan ieu mangrupikeun salah sahiji kaulinan anu disarankeun pikeun anjeun anu ngan ukur hoyong ngeusian waktos luang anjeun. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9357", "text": "Numutkeun kana panilitian, setrés tiasa nyababkeun panyakit fisik sareng mental. Perlu dipikanyaho yén téknik pernapasan sareng meditasi mangaruhan HPA (sumbu hipotalamus-hipofisis-adrénal) anu ngatur sistem saraf simpatik sareng parasympathetic anu pamustunganana nurunkeun denyut jantung sareng tekanan darah. Otak teras nyandak isyarat tina awak. Lamun awak tenang, lajeng otak bakal meunang pesen yén sagalana geus langkung sae. Yoga ngajarkeun urang ngagunakeun saraf simpatik nalika urang peryogi aranjeunna janten langkung waspada sareng pokus. Tujuan utama yoga nyaéta janten langkung tenang sareng waspada. Salian ti ngajaga awak ameh 'ngora', yoga ogé mulangkeun umur otak. Hasilna nunjukkeun yén sajaba ti ningkatkeun fungsi memori, daya tahan émosional jalma anu sering ngalakukeun yoga ogé langkung luhur. Panginten kusabab 'puja-pujian' anu dibacakeun dina yoga, nguatkeun kamampuan verbal sareng visual urang.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "543", "text": "Aya sababaraha jenis senjata kujang lamun ditinggali tina fungsina. Kujang Pusaka ieu senjata jang nangtayungan jeung lambang kaagungan, Kujang Pangarak jang alat nu digunakeun kanggo perang, Kujang Pakarang jang alat upacara, jeung Kujang Pamangkas jang alat ngahuma oge tatanen. Tapi salian dibedakeun saluyu jeung fungsina, aya oge nu dibedakeun dumasar kana bentuk bilahna, nyaeta Kujang Jago anu bentukna siga hayam jantan, Kujang Ciung nu bentukna siga manuk ciung, Kujang Kuntul nu bentukna siga manuk kuntul, Kujang Badak nu bentukna siga badak, Kujang Naga nu bentukna siga hewan mitologi naga, jeung Kujang Bangkong nu bentukna siga bangkong. Salian ti eta, aya oge bilah nu dijieun siga wayang kulit. Bentukna nyarupaan awak awewe jeung ngalambangkeun kasuburan. Biasana senjata ieu loba dijual jang oleh-oleh pas namu ka Jawa Barat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1928", "text": "Madu udang bakar mangrupakeun salah sahiji nu pang populerna jeung malah masakan seafood sakuliah dunya. Kalayan sajian rasa anu napsu, nyaéta amis, ngeunah, lada sareng gurih, ieu ngajantenkeun sajian cocog janten menu tuangeun dibarengan ku sangu bodas anu langkung gebu sareng haneut. Hidangan udang bakar madu ieu cocog pikeun ngalayanan rupa-rupa jinis sayuran anu bakal ningkatkeun napsu anjeun. Kiwari geus loba nu muka usaha kuliner ku cara nyuguhkeun ménu udang bakar madu nu kacida dipikareueus ku masarakat lantaran rasa ieu udang téh kacida ngeunahna, komo deui nikmatna lamun diasakna sangkan rasana beuki ngagoda. . Menu kadaharan udang bakar madu memang rada awis sabab bahan nyieunna dina wangun udang atah mahal, jadi teu sadaya jelema bisa ngarasakeun udang bakar nikmat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5354", "text": "Poe Jumaah isuk-isuk Deden indit didamel. Ngahaja supaya samemeh jumaahan teh tos ngalebetan barang ka apotek. Pas waktosna jumaahan, Deden liren di masjid sisi jalan daerah Purwakarta. Pas ngadangukeun khotbah, Deden kalah kasarean sabab cape tos mawa barang nu loba pisan. Untungna pas khotbah beres Deden aya nu ngagugahkeun. Raraoseun teh meuni isin pisan, tapi da kumaha deui, untung we teu aya nu wawuheun. Beres khotbah tuluy sholat jumah. Tos beres sholat jumah tuluy Deden tuang heula bari istirahat samemeh nuluykeun padamelan nana. Jadi palajaran pisan jang Deden supaya kahareupna mah ulah nepi ka kasarean deui. Kudu ngadangukeun khotbah kalayan khusu supaya meunang pahala.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2708", "text": "Aksi-aksina (dipikawanoh sacara resmi ku Polisi) ku aparat kaamanan nyaéta: nembak gas cimata ka lapang, stan kidul (11, 12, 13), jeung stan wétan (6). Kuring sorangan bingung (atawa meureun kuring can kapanggih sumber nu nyebutkeun yén) naha pasukan kaamanan teu nyebarkeun mariem cai dina usaha megatkeun up massa dina tahap awal. Sajaba ti éta, pamakéan gas cimata dina usaha ngabubarkeun massa di stadion salaku wewengkon semi-katutup mangrupa hal anu dilarang sarta geus sababaraha kali ngabalukarkeun tragedi maén bal, kayaning naon anu lumangsung di Peru jeung Ghana. Gas cimata nembak kana stan ngabalukarkeun panik. Henteu sadayana anu hadir éta lalaki, sareng henteu sadayana anu hadir éta déwasa. Anggap waé anjeun dina posisi suporter Aremania anu ngajak kulawarga anjeun pikeun lalajo pertandingan gedé. Lajeng sababaraha elemen rioted, sarta ujug-ujug cangkang gas cimata jeung batu atawa botol dialungkeun ka arah stand Anjeun. Tangtu rék gancang balik sarta nyalametkeun kulawarga anjeun. Lajeng, panto pangdeukeutna ka stand anjeun pinuh ku jalma anu sarua panik sarta gas cimata mimiti cuk napas anjeun sarta visi. Teu disebutkeun yen pikiran anjeun pasti bakal ngeusi kaduhung: naha anjeun ngajak kulawarga anjeun datang ka dieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1841", "text": "Sangu goreng mangrupa salah sahiji kadaharan karesep masarakat Indonésia anu gampang dijieun. Malahan, kadaharan has Indonésia ieu ogé geus sababaraha kali kaasup kana jajaran kadaharan anu paling nikmat di dunya. ieu di handap aya bahan jeung conto resep kompléks pikeun nyieun sangu goreng di imah.\n\nBahan:\n\n- 500 gram béas\n\n- 1 endog\n\n- 1-2 sendok saos tomat\n\n- 3-4 sendok kecap asin\n\nbumbu:\n\n- 3 siung bawang bodas\n\n- 6 bawang beureum\n\n- uyah secukupnya\n\n- 1/2 sdt terasi udang\n\n- 3-5 buah cabe beureum\n\nKumaha cara masak:\n\na. Mimiti, giling sadaya bumbu anu parantos disiapkeun.\n\nb. Lajeng, nempatkeun minyak goreng cukup kana ketel.\n\nc. Lamun minyak geus cukup panas, lajeng nambahkeun 1 endog. Endog orak-arik nepi ka asak.\n\nd. Lamun geus asak, angkat jeung tiiskeun endogna.\n\ne. Teras tumis bumbu anu parantos ditumbuk tadi dugi ka bauna rada seungit.\n\nf. Saterusna nambahkeun béas jeung aduk nepi ka sagalana rata kacampur.\n\ng. Sanggeus merata, tambahkeun endog orak-arik, saos tomat jeung kecap amis. Aduk jeung masak nepi ka rata.\n\nh. Angkat jeung siapkeun sangu goreng.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5056", "text": "Di Pangandaran mah aya transportasi wisata nu ngaranna odong-odong. Tah odong-odong ieu teh jadi ikon wisata malam di Pangandaran. Bentuk odong-odongna rupa-rupa, ngan nu paling terkenal mah nu model mobil bangkong. Odong-odong teh make bodi mobil jadul bekas, trus di jerona aya tilu korsi. Nu hareup muat jang duaan, nu hiji nyepeng setir, nu hijina ngagoseh. Nu korsi tengah mah bisa muat duaan. Mun di korsi tukang muat nepi ka tiluan oge mun laleutik mah. Kabeh handapeun korsina aya gosehan, sabab ieu odong-odong teh majuna digoseh. Jadi, kecepatan lajuna kumaha tanaha gosehna. Dina rangka luarna oge pinuh ku lampu kelap-kelip. Di bagian tukangna aya sound system leutik nu full musik sapanjang jalan. Jadi pasti katenger mun aya musik pasti aya odong-odong.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2300", "text": "Kristen nyaéta agama anu mimiti muncul kira-kira 2000 taun ka tukang. Penampilan mimiti agama ieu lumangsung di Walanda dina abad ka-16 anu dipangaruhan ku ajaran Calvinisme sareng Lutheranisme. Dumasar kana data anu dikaluarkeun ku Badan Pusat Statistik, diperkirakeun aya 16,5 juta jalma anu ngagem agama Kristen Protestan di Indonésia, kalayan perséntase 6,9 ​​persén tina total penduduk Indonésia sareng mangrupikeun agama kadua panggedéna di Indonésia. Dina neuleuman leuwih jero ngeunaan ajén-inajén agama Kristen Protestan, Garéja Kristen Protestan di Bali (GKPB) ngaluarkeun buku Berakar, Tumbuh, Berbuah dalam Kristus. mangrupakeun hasil kumpulan ti gareja protestan cabang paroki nu aya di Bali jeung mangrupakeun standarisasi nu geus di anut ku masyarakata Bali.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8697", "text": "Tani mangrupa kagiatan anu positip sabab bisa mere mangpaat anu signifikan pikeun kasehatan mental jeung jasmani, oge dampak sosial jeung lingkungan anu positip. Pertanian parantos kabuktian ngabantosan ngirangan setres, kahariwang sareng depresi. Kagiatan ieu oge bisa mere rasa prestasi jeung kasugemaan nalika urang ningali pepelakan urang tumuwuh sarta mekar. Pertanian tiasa ngabantosan urang ngartos pentingna ngajaga lingkungan anu sehat sareng lestari. Kagiatan ieu tiasa ngamajukeun panggunaan bahan organik sareng teknik pertanian anu ramah lingkungan. Gemblengna, pertanian tiasa masihan kauntungan kasehatan, lingkungan, sareng sosial anu signifikan. Kagiatan ieu oge bisa mere kasempetan pikeun berinteraksi jeung nu lian, ngaronjatkeun kreativitas, sarta nyieun rasa positif prestasi.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4500", "text": "Mangfaat barbells salian tina ngajaga stamina jeung kasehatan aya sababraha hiji diantarana nu kahiji nguatkeun otot anjeun tiasa nguatkeun otot anjeun nganggo dumbbells beurat beurat pikeun ningkatkeun massa otot anjeun sareng ngabantosan anjeun ngaduruk langkung kalori, nukadua melihara kaséhatan haté ngagunakeun barbell bisa ningkatkeun denyut jantung anjeun sarta bisa nyieun haté anjeun leuwih tenang. pamula bisa ngamimitian dina Pace santai pikeun ngaronjatkeun stamina cardio maranéhanana jeung barbell beurat lightest salila 30 menit atawa leuwih anu katilu nyaeta ngajaga ketahanan otot, lamun anjeun aktip latihan, anjeun tiasa nganggo barbel pikeun ningkatkeun daya tahan otot anjeun atanapi ningkatkeun kamampuan anjeun ngagunakeun otot anjeun, sapertos nalika maén ténis atanapi voli. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2244", "text": "Ruku, nyepetkeun aliran getih jeung limfa kana beuheung sabab taktak sajajar jeung beuheung. Aliranna bakal langkung lancar upami ruku dilaksanakeun leres, nyaéta nempatkeun beuteung sareng dada langkung luhur tibatan beuheung. Ruku' ogé ngempis napas. Ngalempengkeun tulang tonggong nalika ruku hartosna nyegah kalsifikasi. Sajaba ti éta, ruku mangrupa latihan kemih (kemih) pikeun nyegah keluhan prostat. jeung ngaluruskeun tulang tonggong bakal deflate ginjal. Sedengkeun tekenan kana kandung kemih ku tulang tonggong jeung tulang pubic bakal ngajalankeun cikiih. Kelenjar getah bening (limfa) fungsi utama nyaéta pikeun nyaring jeung ngancurkeun kuman kasakit nu edae dina getih. Sujud Nyegah Wasir, ngalirkeun limfa tina suku, beuteung jeung dada nepi ka beuheung sabab leuwih luhur. Sarta nempatkeun leungeun Anjeun dina taktak atawa tingkat ceuli, ngompa limfa underarm kana beuheung.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9383", "text": "Cara naik kareta api mimitina urang pasti kudu meuli heula tiketna. Jaman ayeuna urang tiasa meuli tiket di aplikasi online, jadi teu kudu datang ka stasiun langsung. Saanggeus eta urang kudu check in jeung cetak boarding pass kareta api. Carana kalayan ngadatangan mesin check-in mandiri (CTM) anu disadiakeun di stasiun keberangkatanna. Biasana stasiun ageung mah geus nyadiakeun mesin ieu, janten urang jadi gampang nyetak boarding passna. Urang bisa asup ka peron urang lamun geus nunjukeun boarding pass jeung kartu identitas ka petugas. Saanggeus eta urang tinggal nuguuan karetana dateng. Pastikeun deui yen urang aya di peron nu bener, ameh teu salah urang disarankeun dateng sajam saacan kaberangkatan. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3560", "text": "Tatangga kuring anu paling dipikaresep nyaéta nalika kuring cicing di pulo Sulawesi. Tatangga kuring nyaéta pendeta anu ngagaduhan karunia spiritual pikeun ngusir setan, alias EXORCIST. Muhun...\r\n\r\nAnjeunna salah sahiji pendeta Kristen anu kuring hormat pisan. Urang terang kulawargana caket sareng kuring babaturan sareng murangkalihna.\r\n\r\nDina Kitab Suci, aya sababaraha hadiah spiritual nu geus dibikeun ku Allah ka jalma anu geus \"dilahirkeun deui\" jeung narima Yesus salaku Gusti. Aya rupa-rupa kado rohani, salah sahijina nyaéta ngusir sétan.\r\n\r\nJadi, manéhna ngusir sétan lain ku mantera, atawa ku cai atawa ku medium nu tangtu.\r\n\r\nPoho sabaraha umur kuring nalika kuring pindah ka imah gigireun kulawarga ieu. Kami leutik sarta ampir unggal poe kadéngé sora jeung lolong jalma kasurupan sétan. Aya loba jalma anu kasurupan sétan dibawa ku kulawargana ka imahna pikeun ngajalanan exorcism.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7618", "text": "Pangusaha nyaeta jalmi anu ngalakukeun usaha sorangan. Usaha ieu bisana dilakukeun ku jalmi anu bade nyobian neangan bati tina dunia bisnis nalika manehna tos cape digawe di pausahaan atawa manehna tos nangan gawe dimamana tapi can meunang wae. Palaku udaha disebut oge wirausahawan. Pagawean ieu tiasa ngarojong tumuwuhna ekonomi di hiji negara. Saurang pangusaha oge tiasa masihan lapangan gawe kanggo jalmi anu sanesna sangkan tiasa ngabantos ekonomi masarakat jeung ningkatkeun penghasilan nasional. Pangusaha oge kedah kreatip sangkan hiji barang teh gaduh nilai anu leuwih alus. Pangusaha ieu kedah ngalakukeun kagiatan usaha anu dina prak-prakanna kedah apal kana produk anyar, cara nyieun produk, nepikeun masarkeun produk eta. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7959", "text": "Tos dua hari ieu abdi ditugaskeun ka Cianjur ka hiji desa anu ngaranna Cilaku. Di desa ieu suasana na teh sepi pisan, palingan oge aya sora cai tina kolam lauk anu aya di sisi imah. Tuluy aya oge sora hayam jeung anjing sababaraha kali lamun aya jalmi anyar anu ngadekeutan kebon. DI bagian imah oge biasana sok aya pancoran cai anu teu pernah ditutup lantaran eta mah sumberna oge ti mata cai langsung, janten teu kedah ditutup sapertos keran cai. Abdi atoh pisan cicing di dieu lantaran teu bau haseup kandaraan jeung teu aya sora motor anu knalpotna garandeng pisan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1615", "text": "Ti leutik keneh nepikeun ka ayeuna urang tinggal di desa. Biasana desa teh identik ku tutuwuhan hejo siga sawah. Di urang ge loba sawah, ku bakat legana nepikeun ka jalan raya oge katinggali ti imah sanajan jauh. Kahirupan di desa biasana ngan aya dua, mun teu jadi patani, jadi peternak. Indung urang wae ge jadi patani kaasup bapa urang, unggal isuk saberes sholat subuh sok langsung indit ka huma biasana geus bebekelan kana rantang jang dahar beurang. Urang oge sabalik sakola sok nyusulan kaditu bari sok ulin jeung babaturan di sawah. Di sawah aya saung nu dijieun ku bapak urang jang niis mun keur istirahat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9492", "text": "Waktu luang nyaeta waktu anu kacida bebasna di antara sibukna kahirupan sapopoe. Ngeusian waktu luang ku hal-hal anu mangpaat mangrupikeun cara anu efektif pikeun ningkatkeun produktivitas sareng cara anu bijaksana pikeun ngamanpaatkeun waktos nu aya. Aya seueur cara anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngeusian waktos luang anjeun ku hal-hal anu mangpaat, salah sahijina ngalakukeun kagiatan fisik sapertos olahraga atanapi jalan-jalan. Olahraga atanapi jalan-jalan tiasa nyieun awak tetep sehat sareng ngaleungitkeun setres tina akumulasi salami dinten kerja atanapi diajar. Anjeun oge bisa diajar hal anyar. sapertos nyandak kelas-kelas latihan anu mangpaat, maca buku atanapi artikel, bahkan nyobian hal-hal anyar sapertos masak atanapi ngadamel karya seni.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "879", "text": "Mengbal teh salah sahiji olahraga anu keras, lantaran bisa wae berbenturan jeung pamaen sejen, komo mun keur paudag-udag bola mah bisa disikut bisa oge di seleding nu nepikeun ka suku patah tulang. Hairta pas maen kejuaraan mengbal antar desa, suku nepikeun ka patah tulangna lantaran di seleding, jabaning sapatu nu dipake ku babaturan teh sapatu bola. Emang salah mimitina, pedah teu make sapatu olahraga kalakah nyeker. Jadi dina katincakna wae ge karasa nyeri, komo pas di seleding bisa geundeuk nepikeun ka patah tulang. Jadi ti saprak harita embung deui mun olahraga khususna olahraga mengbal bari nyeker mah, ditambah ayeuna mah make pengaman meh mun aya benturan oge bisa ka redam.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4182", "text": "Upacara adat tradisional Ngebabali asalna ti Lampung hususna Lampung Barat. Upacara Adat Ngababali miboga tujuan pikeun ngajaga leuweung tatangkalan jeung alam sakabehna anu biasa di lakukeun ku masarakat di Lampung Barat. Upacara ieu di bisa di lakukeun ku sakabeh warga eweh syarat husus lamun rek ngalakukeun upacara adat ngababali. Upacara ieu dilaksanakeun na lamun rek ngamimitian muka sawah atawa sawah anyar anu karek di bersihkeun pikeun penanaman atawa di tanduran mimiti. Salain ti éta, upacara ngababali ieu di lumangsungkeun bisa di gunakeun pikeun lamun erek ngamimitian ngawangun imah anyar jeung padumukan na, atawa bisa ogé pikeun ngabersihan daerah daerah boh imah boh lahan atawa padumukan anu ngabogaan aura mistis atawa angker jeung gaib jahat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "847", "text": "Mimiti asup ekskul sepak bola, biasana teu langsung tanding 11 lawan 11 di lapangan anu gede. Tapi sok direcah heula di lapangan futsal nyaeta 5 lawan 5. Ieu ngameh teu cape teuing, jeung pelatih bisa fokus ninggali kaparigelan urang di lapangan. Saenggeus latihan mimiti eta, langsung dipanggil hiji-hiji ku pelatih jang evaluasi. Evaluasi ieu mere nyaho dimana kaleuwihan urang atawa kelemahan urang dina maen sepak bola. Di Minggu hareupna, atawa pertemuan kadua, urang latihan sorangan-sorangan anu jadi kakurangan sewang-sewangan. Aya dina passing, dribbling, heading, jeung shooting. Mun shooting, sabab jarang aya nu jadi kiper, biasana nu jadi kiper gantian. Jadi geus shooting langsung jadi kiper, kitu oge sabalikna nu kiper giliran shooting.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3974", "text": "Di Lembur urang aya kendaraan anu jiga mobil tapi di goes, unggal malam minggu pasti loba ngajalajar di jalan sakitar situ cikumpay. Soalna unggal malam minggu di situ cikumpay sok aya pasar malam, biasana mulai ti jam opat burit nepika jam salapan peuting. Urang jeung babaturan ka situ cikumpay pas poe sabtu kamari, salain jajan urang jeung babaturan nyobaan mobil anu di goes. Hargana teh lima belas rebu bulak balik, rutena lumayan jauh ti ujung nepika ujung deui. Pas naek mimitina urang teu bisa kusabab karek mimiti oge naek mobil kos kitu, mobil na teh mobil biasa tapi nu ieu mah di goes jiga sapedah. Di lembur urg ngarana mobil disko, soalna aya lampuan warna-warni terus aya musik dangdut oge mani tarik pisan. Si ica ge sarua teu bisaeun, terus ku si amang-amang na teh di berenyaho, tas kitu arurang nyobaan jalan ngagoes. Karek sakeudeung ge geus cangkeul suku teh, terus arurang icing heula popotoan. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3926", "text": "Basa kamari jalan jalan adi urang menta ka mamah di pangmasakeun seafood nyaeta tinta hideung. Adi urag teh emang resepeun pisan kana cumi- cumi. Adi urangteh kuru pisan hararese mun di titah dahar. Matakna mun maneh na ya menta hayang dahar jeung naon mamah teh sok buru di pangmelikeuntuluy di pangmasakeun ameh loba daharna. Isuk- Isuk na urang ahirna kuring jeung mamah indit ka pasar neangan cumi-cumi. Untung na urang nepi di pasar isuk keneh jadi loba keneh piliheun cumi cumi na sabab mun kabeurangan ges eweh pilihan kari panyesaan jeung geus teu seger. Terus mun beurang-berang ka pasar pasti panas, jeung kadang mah sepi da marulang nu jualanna oge. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7389", "text": "Hula hoop nyaeta kaulinan anu ngagunakeun pinggel badag pikeun diputerkeun dina beuteung jeung pinggul. Pamaen Hula hoop kudu ngagerakkeun pinggul pikeun ngajaga kasaimbangan pinggelna sangkan teu ragrag. Lamun baheula hula hoop mangrupa salah sahiji kaulinan budak awewe nu populer ti taun 1950-an, ayeuna kaulinan ieu oge bisa dimaenkeun ku budak lalaki. Kaulinan pikeun awewe jeung lalaki teu ngan bisa ngalatih kasaimbangan, tapi oge ngaduruk gajih dina beuteung, pinggul jeung baian cangkeng. Dina basa sejen, hula hoops bisa nyegah resiko obesitas di barudak. Kanyataanna, barudak kalawan kaleuwihan beurat bisa leungit beurat ku maen hula hoop. Janten hula hoop tiasa dijadikeunk kaulinan anu sehat jeung pikaresepeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1537", "text": "Di waktu weekend atawa mun kalender tanggal keur beureum, urang sok ngajak manehna olahraga. Mimitina mah rada hese diajakna lantaran alesanna teh euweuh sapatu. Matakan pas ulang taun manehannana ku urang dibere hadiah sapatu lari. Lain euweuh alesan mere hadiah sapatu lari teh, meh bisa diajak olahraga jeung ngarah bisa babarengan sehat saterasna. Keur mah deui kahirupan gawe anu teu nangtu jamna, jadi mun rutin nyempetkeun olahraga mah awak bisa leuwih bugar jeung teu babari gering. Biasana muteran lapangan cukup ngan 1 jam, sesana mah neangan sarapan. Sarapanna ge teu neko-neko, naon wae ge asup kana beuteung. Untungna selerana sarua.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7444", "text": "Sajarah televisi di Indonesia dimimitian ku lahirna Televisi Republik Indonesia (TVRI) dina tanggal 24 Agustus 1962 dumasar kana SK Menteri Penerangan RI No. 29/SK/VII/61. Dina waktos eta, pamarentah Indonesia mutuskeun ngalebetkeun proyek media massa televisi dina proyek pangwangunan Asian Games IV. TVRI janten hiji-hijina stasiun televisi anu mimiti aya di Indonesia oge pangkolotna kalayan jangkauan jaringan ngahontal ka sakumna daerah di Indonesia dina waktos eta. Malah nepi ka taun 1990-an, TVRI jadi hiji-hijina sumber informasi pikeun masarakat. Sairing jeung dilaksanakeunna acara Asian Games IV di Senayan, Jakarta, pamarentah Indonesia oge mulai nyiapkeun TVRI. Pamarentah Indonesia meriyogikeun waktps sapuluh bulan kanggo nyiapkeun TVRI.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7029", "text": "Buya Hamka, tokoh agama jeung pulitik utama di Indonesia ieu dilahirkeun taun 1908 di Aceh Kulon, manehna janten pendidik, sastrawan, pamingpin pulitik, jeung tokoh agama. Anjeunna nampi pendidikan formal di SMP Negeri di Medan sareng di Paguron Islam di Jakarta. Buya Hamka mangrupakeun saurang ulama anu gaduh pangaruh dina kahirupan kaagamaan jeung pulitik Indonesia. Anjeunna boga kamampuh pikeun ngahijikeun rupa-rupa golongan agama jeung pulitik ngaliwatan pamikiran sarta pamahaman anu toleran. Anjeunna oge masihan kontribusi anu ageung pikeun ngawangun konstitusi Indonesia, ku ngamajukeun nilai-nilai persatuan sareng persamaan. Salaku tambahan, anjeunna nyerat seueur buku anu nyertakeun rupa-rupa topik, di antarana agama, politik, sosial, sareng ekonomi.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "590", "text": "Sangu tutug oncom nyaeta kadaharan khas Sunda nu asalna ti Tasikmalaya. Mimitina nasi tutug oncom mangrupakeun kadaharan sapopoe jang kelas menengah handap masarakat Sunda. Oncom anu bahanna tina kedelai mangrupakeun kadaharan asli masarakat Sunda. Oncom dijual ku harga nu kajangkau pisan. Oncom jadi lauk pauk masarakat Sunda kelas menengah handap pas taun 1940. Ku sabab hargana ampir teu kajangkau ku masarakat kelas menengah ka handap. Tuluy masarakat ngakalan ku nyampurkeun oncom jeung sangu supaya katinggali jejel jeung loba. Sangu tutug oncom dipikaresep ku rupa-rupa kalangan masarakat. Kiwari sangu tutug oncom teu ngan ukur dijual di tempat nu sederhana tapina di restoran-restoran oge nyadiakeun sangu tutug oncom.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4564", "text": "Keur kulawarga anu sibuk kabeh nyisihkeun waktu keur ngabeakeun waktu ameh tetep harmonis jadi salah sahiji cara ngajaga hubungan komunikasi antara kulawarga, lamun nongton film dina bioskop geus biasa bisa di cobaan nongton pertandingan olah raga di GOR atawa di tempat laina. Nongton pertandingan olah raga bareng bareng kulawarga oge ngabawa mangfaat nyaeta nu kahiji meunang rupa-rupa pamahaman anyar Pikeun jalma anu gaduh gaya diajar visual, ningali hiji hal sacara visual bakal langkung gampang kaharti sareng kaharti sabab langkung gampang nginget naon anu katingali tibatan ngan ukur anu kadéngé. Pikeun hiji kulawarga, nongton acara olah raga babarengan ogé bisa jadi pilihan kagiatan pikeun mikaresep waktu kulawarga, nyaéta waktu anu diluangkeun sacara husus jeung kulawarga pikeun ngalakukeun hiji hal anu mangpaat.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4556", "text": "Tongtonan olahraga karesep lalaki salian ti badminton jeung bola nyaeta nongton tinju. Bapa urang biasana resep pisan lamun nongton tinju, boh tinju luar atawa tinju anu aja di indonesia. Nongton tinju sok aya wayah kumaha wae anu seringna mah lamun peuting nepi ka rek isuk tinju sok aya wae tina tv. Naha tinju di pikaresep ku lalaki sigana kusabab gegelutan mereun nya jad asa rame. Tapi mending keneh lamun rek gelut di lampiakeun emosi na kana olahraga jadi sifatna positif jeung lamun meunag teh jadi prestasi anu bisa ngabagjakeun kolot lain matak di carekan teu cara lamun gelut liat atawa tawuran.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7376", "text": "Marcus Fernaldi Gideon atawa anu biasa disebut Sinyo nyaeta atlet badminton nasional ti cabang ganda putra Indonesia anu dipasangkeun jeung Markis Kido sarta ganda campuran jeung Rizki Amelia Pradipta. Ayeuna, Marcus Gideon rengking ka-28 dunya pikeun ganda putra jeung Agrina Prima Rahmanto. Marcus Fernaldi Gideon oge kaasup salah sahiji pamaen badminton anu boga seeur pisan prestasi. Rekor prestasi Marcus Gideon jeung Agrina Prima dina ganda putra diantarana meunang Singapore International Series taun 2011 jeung perempat final Bankaltim Indonesia Open GP Gold. Dina taun 2012 oge eta pasangan kaluar salaku jawara 2012 Fajr International Challange, Juara Ciputra Hanoi Vietnam International Challange 2012, jeung perempat final Yonex Sunriser Vietnam Open GP 2012.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5071", "text": "Cara supaya liburan urang teu kaganggu ku urusan pagawean. Kahiji, pilarian tempat wisata alam nu asri jeung enakeun. Kadua, pilarianspot nu teu aya jaringan internet. Katilu, nikmati pamandangan, ulah terpaku wae kana hape. Jieun waktu liburan ieu berkualitas ku cara menikmatina. Mun bisa mah bari ngobrol jeung jalma nu anyar wawuh, supaya ngaresfresh oge pikiran jeung obrolan urang. Kaopat, kasampingkeun heula pikiran soal pagawean atawa kagiatan sapopoe, fokus kana pengalihan nu aya di hareupeun urang. Nikmati pamandangan alamna, jahkeun tina pikiran jeung beban. Bebaskeun sagala rupana. Mangpaatkeun waktu liburan nu ngan sakeudeung ieu jang nyegerkeun awak jeung pikiran urang sarerea.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5820", "text": "Permaenan onet teh jadi salah sahiji permaenan nu sering dipaenkeun ku masyarakat, khususna ibu-ibu. Cara maenkeun permainan onet teh gampang pisan, bakal babari dipahami ku pemula ge. Mimiti, buka aplikasi onet, terus pilih rek mode offline atawa mode online. Geus kitu, pilih variasi onet na, rek nu klasik atawa nu variasi anyar. Tuluy klik tombol mulai atawa start. Tah, teangan gambar onet nu sarua, misalna domba jeing domba, kuda jeung kuda, jeung sajabana. Tuluy klik hiji gambar, terus klik deui gambar nu saruana. Tapi kudu inget yen nu bisa di klik teh ngan nu jalurna teu kahalangan, rek ti sisi, zig zag, atawa sajabana nu bisa nyieun jalur.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3564", "text": "Saloba 41,8 persén masarakat Indonésia ngarasa teu nyaman hirup babarengan jeung Syiah. 46,6 persén masarakat ngarasa teu genah disarengan ku urang Ahmadiyah jeung 80,6 persén masarakat ngarasa teu genah babarengan jeung jalma anu miboga hubungan sasama jenis (homoseksual). Samentara éta, jalma anu ngaku teu nyaman hirup babarengan jeung tatanggana béda agama éta 15,1 persen.\n\nHartina, mayoritas urang Indonesia anu beragama Islam leuwih resep hirup tatangga jeung jalma anu béda agama ti batan hirup jeung tatangga jeung umat Islam anu béda pamadegan, saperti Syiah jeung Ahmadiyah,” ceuk Ardian Sopa ti LSI Community.\n\nArdian nétélakeun, dina taun 2005, LSI kungsi ngayakeun survéy ngagunakeun variabel jeung indikator anu sarua. Waktu éta, ngan 8-65 persén masarakat ngarasa teu nyaman jeung tatanggana béda identitas.\n\nPapanggihan survéy 2005 némbongkeun yén jalma anu teu nyaman hirup babarengan jeung jalma béda agama naek 8,2 persen tina 6,9 persen jadi 15,1 persen dina survey 2012. 1 persen jadi 41,8 persen.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5488", "text": "Di daerah Subang mah aya nu ngaranna hiburan Nyai Pohaci. Hiburan ieu teh mangrupa hiburan tari nu dipadukeun jeung lagudaerah oge lagu dangdut. Jadi konsep na teh lagu nu ditarian. Biasana hiburan ieu sok aya mun diundang dinu hajatan. Jiga kamari abdi uleman ka babaturan abdi nu di Purwadadi, singhoreng hiburan na teh naggap Nyi Pohaci. Abdi karek apal yen Nyi Pohaci teh lagu dangdut nu dibere tarian Jaipongan. Hiburan ieu jadi hiburan nu terkesan mewah di Subang. Salian tina nilai seni na, oge nilai estetika jeung manawi na nu teu kanilai. Pokok na mah ieu hiburan teh dianggap nu paling apik we dina bidang seni mah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7951", "text": "Aya seeur cara kanggo ngaleungitkeun setres di antarana nyaeta ngadekeutkeun diri urang ka Gusti Alloh. Carana aya seeur, salian ti ibadah ka Alloh dina sapopoe urang, tiasa oge ku cara nambihan amalan ibadah urang sapertos solat rawatib jeung maca qur'an atawa ngalakukeun amalan anu sanesna anu sifatna dianjurkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad tapi teu wajib. Salian ti meunang pahala anu seeur, ngalakukeun amalan ieu oge tiasa ngajadikeun urang leuwih tenang. Aya oge cara anu sanesna nyaeta ku cara miluan ngaji sasarengan jeung rerencangan. Biasana di masigit sok aya ceramah ti ustad anu tiasa diiluan ku saha wae. Ti ditu urang tiasa meunang rerencangan anyar jeung elmu anyar oge. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4237", "text": "Brem nyaéta kadaharan anu biasa di jadikeun oleh oleh lamun ulin ka kota madiun jawa timur, brem ka asup kana kue h anu rasana unik pisan. Brem dijieun tina béas ketan anu geus asak jeung digaringkeun, anu mangrupa hasil ferméntasi béas ketan hideung anu ngan nyokot sari jus anu tuluy disimpen salila kira-kira sapoé sapeuting. Rasa Brem teh jadina rada nyereng jeung haseum kecut kitu tapi enak. Sensasi dahareun ieu muncul lamun dahareun diasupkeun kana mulut bakal langsung ngalembereh tur leungit ninggalkeun rasa 'semriwing' tiis kitu dina létah. Bentuka brem oge ceuk urang mah unik nyaeta di bentuk panjang jadi siga kai warna nage coklat cream kitu. jadi siga ngadahar kai atawa balok tapi ipis jeung teksturna hipu. Lamun nu rek jalan jalan ka madiun brem bisa di jadikeun pilihan oleh oleh hargana ge teu mahal jeung pastii tahan lama lamun perjalanan jauh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6714", "text": "Salah sahiji tempat wisata anu gaduh seeur pisan tempat kanggo popotoan nyaeta Tebing Keraton anu lokasina aya di Taman Hutan Raya di Dago. Tempat ieu janten tempat karesep budak ngora anu hoyong popotoan teras diaplod dina Instagram. Pangaos tiket ka Tebing Keraton nyaeta dua belas rebu rupiah. Urang tiasa datang ti jam genep enjing nepika jam opat sonten. Teu ngan saukur popotoan, tempat ieu oge tiasa dijadikeun tempat jang sasapedahan atau mapah sabari ningal pintonan alam anu tiis. Tebing keraton jangkungna sarebu dua ratus meter di luhur permukaan laut. Upami bade ka Tebing Keraton urang teu tiasa ngangge mobil nepi ka luhur, janten mobilna kedah diparkirkeun di handap teras mapah ka luhur.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3540", "text": ". Sieun boga minantu kitu. Nurutkeun panineungan kuring, loba oge rumah tangga anu gagal lantaran aya gangguan ti mertua. Coba mun nangtoskeun kumaha karajaan anjeunna. Sacara umum, urang pasti bisa nangtoskeun naha batur téh pelit atanapi henteu sanggeus nyaho silih pikeun sawatara waktu. Salaku awéwé utamana, urang kudu nyaho naha anjeunna cukup berehan ka urang (kulawarga) ka hareup atawa sabalikna. Pilih pasangan anu henteu ngaroko. Abdi henteu hoyong kompromi sareng kabiasaan ieu, khususna sareng jalma anu janji bakal eureun. Upami anjeun parantos nyobian, kuring yakin yén waktos salajengna anjeun bakal nyumput di tukangeun roko. Atanapi upamana, aya hiji cariosan ti rerencangan anu nyarios: \"manehna teu wani ngaroko di payuneun abdi.\" Barina ogé, anjeun ngan kabogoh, kumaha lamun anjeun geus salaki? Abdi NO, abdi masih teu bisa bau eta. Balukar tina ékonomi ka kaséhatan bakal dirasakeun di hareup. Ieu mangrupikeun sababaraha hal anu kuring hoyong dugikeun, saha terang ieu bakal mangpaat pikeun réréncangan Quora. Upami aya anu sanés anu kuring émut, kuring bakal nambihanana engké.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3079", "text": "Urang mimitian ngajual online ti pisan dasar. Nyobaan janten reseller & dropshipper. Sadayana kusabab pertimbangan modal. Salian ti masih dina tahap nguji, urang oge anyar pisan dina waktu éta ngeunaan seluk beluk dunya maya. Pertimbangan kami nyaéta yén janten dropshipper peryogi modal minimal, artos bakal jalan, ranté sirkulasi produk ogé saderhana pisan, ti produsén tiasa langsung dikirim ka konsumen, kami ngan ukur setor alamat palanggan anu hoyong barang anu kami gaduh. ditampilkeun dina rupa-rupa média sosial, pasar sareng situs badarat. halaman. Samentara éta, urang ngalakukeun posisi urang salaku reseller ambéh barang bisa datang ka tempat urang munggaran, urang ngalakukeun cek, kitu ogé pak gaya urang sorangan. Ngan antisipasi aya barang anu ngahaja cacad tapi tanpa kanyahoan urang dikirim ka tempat palanggan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "848", "text": "Aya loba olahraga beladiri nu bisa dilakukeun di sakolaan, salah sahijina nyaeta eskul karate. Mun belajar karate, siswa bakal ngarasakeun loba mangpaatna. Siswa bakal diajar mela diri dina kaayaan anu genting, pas siswa keur aya gangguan, teknik nu dipelajari dina eskul karate bisa mere kamampuan jang mela diri. Karate oge bisa ngajarkeun siswa jang ngasah kaparigelan jadi pamingpin. Naha bisa kitu? Lantaran engkena siswa bakal meunangkeun tingkatan sabuk nu lewih luhur. Tangtuna maranehna bakal jadi pamingpin jang siswa anu anyar asup. Engkena siswa bakal mantuan, nyumangetan oge mere pembinaan ka siswa anu anyar. Ku sabab kitu, eskul karate teh penting jang bela diri oge ngasah kapamingpinan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4627", "text": "Jaman ayeuna lamun eweuh alat elektronik paranti ngawetkeun atawa nyimpen dahareun jeungbahan bahan keur masakan siga kulkas tantu bakal jadi masalah gede, komo ayeuna loba bahan bahan jeung jenis dahareun anu teu bisa lamun teu tiis bakal babari rusak atawa buruk, eta pasti jadi masalah komo keur batur anu boga usaha kana bidang kuliner atawa bakery ka asup es krim. Matak ku ayana kulkas jadi alat anu penting pisan dina usahana lamun eweh kulkas pasti manehna bakal rugi gede pisan. Atawa lamun eweh kulkas bisa jadi eweh rupa rupa dahareun jeung kueh kuehan siga ayeuna. Soalna loba kueh kueh ayeuna anu kudu di sajikeun tiis.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2382", "text": "Budi nganggap adat Umbah Gaman (Nyuci Pusaka) wajib unggal 1 Suro. Malah kudu dilestarikan ku para pecinta karya seni atawa pusaka kawas dirina. Ku kituna, manéhna hayang tradisi ieu teu punah. Budi némbongkeun cara nyeuseuh keris jeung pasanganna, Slamet 'Keris'. Manéhna némbongkeun kerisna hiji-hiji. Saméméh dimandian, keris diharudum ku menyan. Saterusna, aya 7 rupa kembang jeung ditungtungan make arsén. Nurutkeun manéhna, koleksi kerisna téh rupa-rupa. Bentukna saé, jinis, ukuranana. Malahan cenah kerisna ti jaman Singosari, Mataram, jeung Majapahit, bahan dasarna tina perak, nikel, beusi murni, nepi ka batu meteorit nu ngandung loba mneral unik nu heuteu atawa jarang ditemukeun di dunya biasa.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4236", "text": "Bakpia mangrupakeun ikon oleh- oleh populér ti Yogyakarta. Teu lengkep mun ulin ka Yogyakarta tanpa meuli bakpia. Ampir unggal toko oleh-oleh ngajual kadaharan anu hiji ieu. Bakpia nyaéta kadaharan anu dijieun tina tipung gandum anu dipanggang ku eusian dina wangun kacang hejo dicampur gula. Sanajan kitu, kadaharan anu dianggap has Jogja sabenerna lain asalna ti Yogyakarta, tapi asalna ti Cina. bakpia dibentuk tina pangaruh akulturasi budaya Cina jeung Jawa. Kombinasi kuliner ieu ngajadikeun ngalayanan kueh nikmat jeung nikmat. Bakpia mangrupa bukti yen bentrok budaya teu bahaya. Bakpia asalna tina dialek Hokkien kalayan ngaran aslina Tou Luk Pia anu hartina kueh atawa roti anu eusian daging. Seiring perkembangan jaman jeung lobana paménta ti nasabah, Bakpia di modifikasi jadi eusina rupa rupa henteu ngan ukur ngandung kacang hejo, sarta berinovasi ku rupa-rupa varian keusikan anyar. Ayeuna, bakpia disuguhkeun ku rupa-rupa eusian, ti mimiti kejo, ketan hideung, ubi, pandan nepi ka coklat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9360", "text": "Istilah tabulampot mindeng dipaké, utamana dina dunya perkebunan. Pikeun anu teu wawuh kana istilah tabulampot, tabulampot téh singgetan tina tanam buah dalam pot nya éta prosés penanaman bibit buah dina pot. Sanaos aya watesan dina lahan, metode pertanian ieu di lahan sempit sapertos tabulampot ieu ngamungkinkeun anjeun tetep bisa ngebon. Sanajan kitu, teu sakabéh pepelakan buah bisa tumuwuh ngagunakeun cara tabulampot ieu, kayaning durian nu boga tangkal badag batang. Tatanen ngagunakeun cara ieu bisa ngagunakeun siki generatif (tina siki) atawa siki vegetatif (cangkok, okulasi, jeung panyambungan). Média anu diperlukeun diantarana pot anu gunana pikeun ngarojong dedeg tutuwuhan, campuran taneuh, kompos, jeung areng sekam.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8116", "text": "Sanajan babarah pendengar radio mulai parindah ngagunakeun aplikasi atanapi online streaming. Nanging saleresna masih keneh seueur nu ngadangukeun radio. Nu benten ngadangukeun radiona sanes lewat radio nu kotak sapertos jaman baheula. Ayeuna mah ngadengekuen radio teh tiasa dimana wae, dina hp aya, di mobil ge tiasa. Sanajan seueur radio-radio nu tos teu siaran deui, nanging radio-radio nu boga ngaran ageung tur tos kakoncara teh aya keneh nu eksis nika ayeuna kusabab pendengarna setia ngadangukeun siaran. Bahkan radio-radio ieu teh tos seueur nu mulai adaptasi ka platform anyar sapertos nu tadi disebatkeun. Arek eta nganggo ngaran nu tos aya atanapi ngarebranding nganggo ngaran nu anyar.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "869", "text": "Lamun dipikir-pikir mah naon ngeunahna naek gunung? Kacape-cape, katiris-tiris, mending cicing di imah. Eta eusi pikiran urang 10 taun kamari saacan apal kumaha ngeunahna naek gunung. Enya emang teu bisa dipungkiri naek gunung teh cape, tiris, jeung ngaluarkeun duit nu teu saeutik jang sewa itu ieu na. Tapi aya karesep sorangan naek gunung teh. Contona wae bisa ngopi di alam anu bebas, ieu siga sepele, tapi malah katagihan. Komo deui mun raramean naek gunungna teh, geus tangtuna leuwih seru. Ti sapanjang jalan aya babaturan ngobrol. Puncak kabungahan eta tangtuna pas geus nepi puncak, aya kareueusan sorangan bisa nepi puncak anu can tangtu nu sejen mah mampu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4760", "text": "Bisnis online diwangun ku 2 kecap nyaeta bisnis jeung online nyaeta mangrupa jualan usaha atawa kagiatan anu dilaksanakeun ku grup atawa individu, pikeun neangan kauntungan atawa panghasilan ku cara ngajieun ngahasilkeun produk atawa jasa pikeun nyumponan kabutuhan konsumen sedengkeun kecap online nurutkeun nyaeta kagiatan anu disambungkeun ngaliwatan jaringan komputer anu bisa diakses ngaliwatan jaringan komputer sejen di saluruh dunya. Jadi berjualan online atawa usaha online nyaeta jenis usaha anu dijalankeun ngaliwatan media internet atawa digital. Ieu ngandung harti yen kagiatan bisnis jual-beuli, layanan palanggan, pamasaran, sareng sajabana dilaksanakeun sacara online. Anjeun tiasa ngajual rupa-rupa jinis produk, mimitian ti barang, jasa, dugi ka produk digital.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1578", "text": "Urang sok ngarasa sedih mun ninggali babaturan sosoranganan, sanajan eta lain babaturan deukeut urang, tapi urang sok nyampeurkeun maturan manehna. Manehna teh budak anyar di sakolaan jadi emang teu boga babaturan, urang sok inisiatif nu agresif ngadeukeutan. Geus lila-lila ngobrol mah jadi apal kumaha kulawargana, sabab sok mindeng ulin ka imahna. Kolotna oge balageur, malah mun ulin ka imahna urang sok dikepelan duit, ngomongna mah jang jajan ceunah. Pernah hiji waktu mah, urang diajak ka acara kulawarga besarna, dina tampilanna ge geus kaciri ieu mah lain kulawarga biasa. Sakapeung mah urang sok merod, tapi di sisi lain sok bersyukur mibogaan babaturan kawas kitu, pikiran teh jadi terbuka.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5868", "text": "Zaman ayeuna mah kabutuhan ngabadikeun gambar teh jadi salah sahiji hal nu penting pisan. Malahan mah jadi hiji profesi anu bisa dibilang cukup menjanjikan. Pasalna, dina sagala aspek kahirupan teh perlu pisan kamera. Mun rek ulin atawa jalan-jalan, sok popotoan make kamera. Malahan mah ayeuna geus seueur kamera canggih nu bisa dipake di sagala situasi. Aya kamera khusus jang dibawa ka jero cai, nyaeta kamera underwater. Aya kamera action anu bisa dipake kagiatan outdoor atawa kagiatan action sejenna. Aya kamera 360 derajat nu bisa nunjang videografi. Jeung seueur deui kamera sejenna. Makin hari makin canggih we fitur nu diluncurkeun dina kamera teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4014", "text": "Nalika kuring hayang lalajo pilem dina salah sahiji layanan digital, kuring manggihan hiji pilem alus disebut Yo wis ben, pilem dijieun ku Bayu Skak anu ogé dibéntangan Bayu Skak dina peran utama alus pisan. Pilem kahiji anu ku kuring ditonton kalayan pinuh dialog ku basa Jawa jeung ngamumulé budaya daérah Jawa. Film ieu nyaritakeun Bayu, anak tukang dagang pecel anu hayang ngudag cita-citana ngamimitian band kawentar sangkan bisa ngabantu ekonomi indungna. Tétéla film ieu parantos lami didamel sareng parantos janten tilu musim anu bakal ditayangkeun dina taun 2018, 2019 sareng yo wis ben finalna bakal di 2021. Yowis ben oge didamel séri anu bakal tayang dina taun 2020. kalawan 12 episode. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7938", "text": "Jaman ayeuna tos mulai seeur pisan bencana alam sapertos lini nepikeun tsunami. Bencana alam ieu sabenerna aya nu tiasa dicegah aya oge anu teu tiasa urang cegah. bencana alam anu tiasa dicegah contona nyaeta banjir lantaran banjir biasana disebabkeun ku parilaku masarakat anu resep miceun runtah di walungan atawa di solokan, janten saluran cai kasumbat ku runtah. Komo deui lamun kahalanganna ku runtah palastik anu hancurna lila pisan. Matak lamun urang teu hoyong beunang musibah urang ulah miceun runtah di mana wae. Seeur jalmi anu mikir yen manehna hungkul anu miceun runtah di walungan, tapi kabehna mikir kitu janten runtah teh seeur pisan lantaran ti sababaraha jalmi anu miceun runtah di tempat anu sami. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2423", "text": "Sesepuh masarakat Baduy anu ogé Kepala Désa Kanekes, Kacamatan Leuwidamar, Kabupatén Lebak, Jaro Saija, ngusulkeun upacara adat “Seba Baduy” dilaksanakeun dina tanggal 30 Méi 2020 kalayan dihadiran 30 urang wawakil. Palaksanaan paréntah ngayakeun “Seba Baduy” téh wajib sabab dumasar kana kaputusan adat, malah ritual séba geus dilaksanakeun ti jaman karajaan, kaasup karajaan Islam anu dipingpin ku Sultan Hasanudin Banten. Kagiatan Seba Baduy mangrupa bagian tina rukun adat sanggeus masarakat Baduy Dalam ngalaksanakeun Kawalu salila tilu bulan. Dimana palaksanaan Kawalu, wisatawan dilarang asup ka wewengkon padumukan Baduy Dalam.Kagiatan “Seba Baduy” sacara harfiah nyerenkeun tradisi masrahkeun hasil bumi jeung ngalaporkeun rupa-rupa kajadian anu lumangsung dina taun katukang di wewengkon masarakat Baduy di pedalaman Kabupaten Lebak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4977", "text": "Cook helper mangrupakeun salah sahiji pagawean nu ngutiplek di dapur. Tugas cook helper nyaeta ngabantuan chef dina pagawean nana. Biasana cook helper ditugaskeun jang nyiapkeun sagala bahan-bahan masakan nu dibutuhkeun ku chef. Cook helper oge tanggung jawab dina kasadiaan bahan, kasadiaan alat, jeung kaberesihan alat-alat masak. Baju nu dipake biasana sarua jeung chef, ngan beda model hungkul. Cook helper oge wajib make apron jeung sapatu khusus. Singkat na mah cook helper teh tukang ngabantuan chef dina sagala hal nu hubungan nana jeung masakan. Cook helper oge kudu ngarti jeung paham kana sagala nu jadi rencana masak chef di unggal kagiatannana. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6731", "text": "Di suku Gunung Manglayang aya salah sahiji tempat jang mondok, namina Rumah Lereng Bandung. Lokasi na aya di Cibiru, Cilengkrang Bandung. Tempat ieu ngusung tema imah tradisional urang Sunda. Lantaran lokasi na aya di Cilengkrang, tempat ieu posisi na caket sareng Curug Cilengkrang. Aya kaleuwihan anu matak nyieun urang kudu pisan datang kadieu nyaeta aya fasilitas mesin cuci, alat kanggo ngagaringkeun buuk jeung baju, jeung licinan. Janten upami urang bade mondok lami di dieu, teu kedah nyandak acuk seeur lantaran tiasa dicuci di dieu. Tamu anu datang ti luar kota oge teu kedah hawatos lantaran tempat ieu oge nyadiakeun jemputan shuttle. Janten, ngantosan naon deui? Langsung jadwalkeun datang ka tempat ieu kanggo liburan sareng kulawargi!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6661", "text": "Lamun keur usum hujan biasana urang Bandung mah sok neangan minuman anu tiasa ngahaneutkeun awak, daripada ninyuh kopi mending ge nginjm bajigur. Bajigur gaduh rasa anu haneut, negunah kana awak. Sakilas mah warna na jiga cikopi padahal rasana langkung amis jeung tangtu langkung sehat ti cikopi. Bahan ngadamel bajigur oge teu loba, ngan kudu aya jahe, gula, pandan, santen jeung kopi sasendok, kadang-kadang aya oge tukang bajigur nu nambihan sakoteng. Minuman bajigur kaasup minuman anu tiasa didamel di imah jeung cara masak na oge gampang. Tapi upami hoyong di leuwih gampil deui, urang tiasa meser bubuk bajigur anu tinggal ditinyuh make cai panas.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5856", "text": "Mesin cuci nu aya di imah abdi mah nyaeta mesin cuci merk LG anu manual. Kapasitasna dugi ka dua belas kilogram, jadi bisa dipake seuseuhan jiga salimut, sprei, jeung sajabana. Mesin cuci na teh aya dua tabung, nu hiji jeung nyeuseuh, nu hiji jeung ngeringkeun. Dina luhureun tabung aya tombol nu diputer kangge ngoperasikeun mesin cuci. Tombolna teh aya jang ngatur cai, ngatur kakuatan spin, ngatur muang cai, jeung ngatur timer pengeringan. Jangkung mesin cuci na teh kira-kira sadada orang dewasa. Mesin cuci dua belas kilogram teh kabilang mesin cuci skala besar anu sok dipake nyeuseuh skala gede, biasana jang nu sok ngalaundry.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3586", "text": "Saparantos linu ngaleueut, urang duaan ngala motor sareng nuju ka tempat anu langkung luhur, margi sateuacan kemah didinya urang nuju ka dataran luhur anu aya sawah. Sapanjang jalan katembong loba nu katutupan ku getih, loba imah nu ambruk, komo nu katabrak tihang jeung teu sadar. Loba jalma menta tulung ka urang, tapi urang ogé butuh pitulung sarta kudu nyalametkeun diri. Sanggeus sababaraha waktu urang mutuskeun pikeun turun deui sarta kasampak di sabudeureun. Bangkai aya dimana-mana. Simkuring malah boga waktu pikeun sirah handap jalan ka pantai. Loba mayit di jalan jeung wangunan nu geus robah jadi lebu. Ieu dahsyat. Teu bisa nempo, urang langsung indit ka imah Mamang. Urang cicing di luar imah, sabab lini terus datang. Di imah paman mah aya kadaharan atah, jadi teu hariwang teuing lapar. Sanajan kitu, euweuh cai pisan. Kami henteu mandi sareng ngahémat suplai. Kanyataanna, salila looting hal kahiji urang nyandak kalayan kami éta botol badag cai. Dina waktu éta duit geus euweuh hargana.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4632", "text": "Métode pikeun ngawétkeun dahareun ku refrigeration geus sabudeureun réwuan taun, tapi kulkas modern sorangan mangrupakeun penemuan panganyarna. Penemuan modél refrigerasi jieunan munggaran, anu katelah kulkas, diciptakeun ku William Cullen, dokter Skotlandia anu niténan yén évaporasi miboga éfék cooling dina 1720s. Ti ieu, manéhna diajar yén kadaharan bakal tahan leuwih lila lamun refrigerated, sabab baktéri teu bisa mekar dina suhu low. Nanging, dina waktos éta, penemuan kulkas ku William henteu acan dikomersilkeun atanapi henteu acan dipaténkeun. Ti saprak éta, panemuan mesin cooling parantos dilakukeun ku panemu di sababaraha nagara. Sapertos panemu Amérika, Oliver Evans, anu dina 1805 nyobian mendesain mesin pendingin nganggo uap. Élmuwan Inggris Michael Faraday ngadamel usaha anu sami dina 1820, ngagunakeun amonia cair pikeun nyababkeun pendinginan. Najan kitu, nepi ka 1834 Jacob Perkins nyieun sistem refrigerasi praktis ngagunakeun sistem komprési uap éter di 1835 sarta dipaténkeun penemuan na. The History of Kulkas lajeng catetan anjeunna salaku 'bapa kulkas', berkat penemuan kulkas.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "76", "text": "Peso salah sahiji perlengkapan alat dapur anu seukeut, tapi lila-lila mah bisa mintul. Lamun hayang boga peso nu seukeutna kawas anyar meuli, kudu bisa ngarawatna. Cara ngarawat peso ngameh teu karatan jeung terus bisa seukeut teh nyaeta, kahiji asah peso secara berkala. Saacan make peso, kudu di cek heula kaseukeutannana ku cara nyiksikan sayuran. Ku cara nyiksikan bakal apal peso nu digunakeun seukeut atawa geus mintul. Kadua, ngasah peso kudu bener. Samemeh diasah, peso kudu dibere minyak kalapa heula ngameh digesekeun kana batuna teu seret. Katilu, kumbah peso nepi ka beresih saberes digunakeun. Ngumbah peso bisa make sabun cuci piring jeung ngabilasna make cai haneut. Nu terakhir, simpen peso di tempat anu tepat. Bisa di jero laci lomari atawa lomari dapur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4993", "text": "Termos nyaeta wadah cai nu bisa nahan panas cai nepi ka sababaraha jam lilana. Termos aya dua lapis, lapisan luarna plastik, sedengkeun lapisan jerona nyaeta kaca dua lapis nu boga ruang hampa antara sisi jeung tengahna. Tah eta nu mantak ieu termos mun dieusian cai panas teh sok awet, da uap panas na teu bijil kaluar, angger we cicing di jero. Mun baheula mah hoyong cai panas teh kudu ngadadak naheur, ayeuna mah tinggal naheur sakali bus we asupkeun kana termos. Dugi ka sapopoe ge pasti bakal panas wae eta cai asal nutup na sing bener-bener rapet. Dari pada naheuran wae cai, yuk ah mending rajin ngeusian termos. Salian ngirit gas, oge ngirit waktu jang naheur cai.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8836", "text": "Libur sakola ieu, bapa kuring ngajak kuring lalajo pertandingan sepak bola tim favoritna di stadion di kota urang. Urang mangkat ti bumi jam tilu soré sanggeus solat Asar. Kuring jeung bapa angkat sareng rerencangan bapa anu sanés, nganggo saragam anu sami sareng naék beus séwaan babarengan. Tapi di tengah-tengah jalan ujug-ujug macet alatan kacilakaan motor, wayahna urang jeung bapa urang ngan bisa diuk ngadagoan satengah jam nepi ka jalan lancar deui. Kabeneran urang teu telat pikeun lalajo kaulinan, sarta bisa diuk di tengah stadion. Kuring bungah pisan, ningali tim favorit bapa meunangkeun eta pertandingan, sareng bagja ningali bapa anu ogé bagja kusabab tim favoritna meunangkeun pertandingan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2800", "text": "Seuseuh listrik anu diwangun di bumi biasana sakitar 2500–3990 watt janten kuring henteu nyangka yén wattage rendah tiasa kalebet dina jawaban ieu. Gumantung kana naon anu biasana anjeun masak, panginten anjeun tiasa mikirkeun jinis portabel sabab biasana sakitar 1200–1500 watt. Upami anjeun masang kueh, peryogi suhu sakitar 160-175 derajat Celsius, janten kamungkinan portabel masih tiasa dianggo, sanaos tangtos kapasitasna henteu ageung sapertos oven anu dipasang. Pikeun roti mindeng diperlukeun di luhur 190–220 malah pikeun pizza ngahontal 250 derajat harga diwangun dina oven lamun aya promo meureun sabudeureun 4,5 juta nepi ka 8 juta pikeun merek ilahar kapanggih di Indonésia sarta bisa leuwih lamun aya tambahan lianna. fitur sedengkeun oven portabel mimitian ti 2 juta Kuring sorangan biasa ngagunakeun oven listrik, ngan di tempat anyar kuring sabab listrik di imah teu badag (2200 watt) jadi kuring ngagunakeun built in gas oven. Seuseuh gas anu diwangun rada langkung mahal tibatan anu listrik, tangtosna tiasa ngahémat listrik", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8819", "text": "Matras olahraga nyaéta bantal dina wangun pasagi anu ditempatkeun dina lantai, tikar biasana sok dipaké ku aktivis olahraga pikeun ngagunakeun senam lantai. Matras lantai boga ciri sorangan, bahan anu biasana dipaké nyaéta karét busa anu ukuranana 1,20 x 2 méter atawa 1,20 x 3 méter. Alesan pikeun milih bahan tina busa karét atanapi spons pikeun tikar senam lantai sabab bahan ieu condong elastis sareng henteu gancang ngalembut supados élastisitasna dijaga. Ku kituna, nalika dipaké pikeun latihan lantai, jenis matras ieu bakal balik deui ka bentuk aslina. Karét busa dibungkus ku lawon atawa linen atawa kulit sintétik sangkan teu gampang kotor. Alas senam lantai ieu ngabogaan kandelna antara 10 nepi ka 15 cm nurutkeun fungsina pikeun mantuan ngagampangkeun unggal gerakan senam.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6505", "text": "Babaturan teh jadi salah sahiji hal anu kudu disyukuri ayana. Tah dina ngajalin hubungan babaturan teh kudu lakukeun tilu hal ieu supaya tetep awet. Nu kahiji nyaeta jalin komunikasi nu alus, ulah nepi ka ngan komunikasi mun aya butuhna hungkul, komo nepi ka jarang aya komunikasi pisan mah. Nu kadua nyaeta kedah saling percaya. Hal ieu teh penting pisan sabab bisa nangtukeun lilana jeung kapercayaan ka babaturan. Mun kapercayaan geus euweuh mah sok babari diadukeun ku batur. Nu katilu nyaeta sering ngalakukeun hal-hal babarengan. Biasana ku babarengan mah sagalana ge sok ngabentuk kemistri nu alus, jadi moal mungkin aya silih sangka atawa salah paham.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4240", "text": "Kolintang nyaeta alat musik tradisional ti Minahasa Sulawesi utara. Alat musik Kolintang bisa di tingali ku wangunna anu unik, nyaéta runtuyan bilah kai anu disusun dina rak kalayan ukuran sabeulah anu ngurangan. Kolintang nyaéta salah sahiji alat musik tradisional masarakat Minahasa di Sulawesi Utara. Alat musik ieu dijieun tina kai husus anu disusun jeung dimaénkeun ku cara diteunggeul. Kolintang hampir sarua jeung alat musik gambang ti Jawa, tapi bédana nada anu dihasilkeun leuwih lengkep jeung cara maénna rada béda. Kolintang nyaéta pakakas musik tradisional anu cukup dipikawanoh di masarakat Minahasa, sarta mindeng dipaké pikeun marengan upacara adat, pintonan tari, iringan nyanyi, komo pintonan musik", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5070", "text": "Cara supaya liburan urang leuwih berkesan kebesamaan na jeung babaturan. Kahiji, urang ajak babaturan urang jang liburan ka tempat wisata alam. Kadua, ajakan babaturan urang camping di tempat nu euweuh sinyal. Mun tempat liburan na hese sinyal mah bakal loba ngobrol tibatan ngoprek hape. Tah eta teh jadi salah sahiji trik supaya liburan urang teh leuwih karasa kebersamaan na. Nu katilu nyaeta fokus kana quality time. Jauhkeun hape tina saku, mun tiasa mah pareuman we. Tuluy urang eusian waktu ku ngobrol atawa ngalakukeun kagiatan bareng salila liburan. Hargai waktu kebersamaan sabab urang teu pernah apal iraha bakal bisa babarengan deui jeung babaturan urang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6643", "text": "Di antara sadaya pasakan Sunda anu didamel tina sayuran. Abdi paling teu resep ngadahar karedok leunca. Basa kempel buka puasa sasarengan di bumi nini, abdi ditawisan emam karedok leunca, saurna mah ngeunah cenah, janten abdi nyobian nyandak karedok leunca ka piring abdi. Pas dicobian singhoreng rasana aneh sabab eta leunca na atah keneh jaba lada pisan jeung pahang lantaran bungbuna make cikur. Karedok leunca ieu rasana rada pait. Biasana jalmi anu resep ngadahar karedok leunca daharna langsung dina coetna, langsung dicampurkeun jeung sangu ditambih kurupuk. Pas abdi nyobian karedok leunca abdi teu tiasa nyeepkeun sadayana, karek oge sahuap langsung hoyong utah lantaran rasana anu teu paruguh. Abdi sabenerna hoyong tiasa emam karedok leunca supados tiasa ngalestarikeun kadaharan Sunda.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1847", "text": "konsep All You Can Eat di Spanyol. Oke..di dieu mah bedana ibarat bumi jeung langit..mun rek di bandingkeun AYCE di Spanyol jeung Indonesia. Upami All You Can Eat Indonesia mah gaduh kesan anu mewah kalayan seueur tuangeun jeung inumeun. upami di spayol mah versi All you can eat teh murah meriah atanapi sabenerna di spanyol mah ngan restoran cina biasa, ngan konsepna emam sapuasna, sawaregna, sanajan anu aya di mall jeung interiorna restorana lumayan, tapi makananna bénten téh sami saréng réstoran All You Can eat anu sanés.Diditu mah lolobana kadaharan ti Cina... mie goreng, pangsit goreng, lumpia, seafood, nasi goreng jeung sajabana. Pikeun camilan aya buah irisan, buah manisan, és krim atanapi puding.\r\nAya ogé anu dipanggang, langkung seueur seafood bakar. Harga per jalma tadina 7,5 euro..tapi teras naek ka 10eur.teu terang sabaraha ayeuna.Tong naros kumaha rasana, sabab salami kenyang ulah dibanding-bandingkeun sareng restoran cina anu biasasabab rasana pasti jauh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "141", "text": "Awal bulan Juni di kampung urang ngayakeun ziarah ka Jakarta, ziarahna ka Mbak Priuk jeung Luar Batang. Rencana saberes ziarah, rek ulin heula ka Ancol. Transportasi nu ditumpakan nyaeta beus. Beus anu di sewa teh opat beus, sabab nu ngiluna ge lobaan disebutna ibu-ibu pengajian tapi aya bapa-bapa oge ngan saeutikan. Subuh beusna karek datang, kabehna naraek di hiji tempat nu geus ditangtukeun. Urang ngahaja mawa cai mineral opat dus, ditendeunna di bagasi sisi kenca beus, penyimpananna lega. Di jero korsi beusna di bagi dua, nu kenca dua korsi, nu katuhu 3 korsi. Urang kabagean nu kenca jeung indung urang. Alhamdulillah di perjalanan lancar euweuh kendala, nepi deui ka Bandung teh peuting.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5729", "text": "Ngojay jadi salah sahiji olahraga anu babari dilakukeun, sabab pada dasarna mah unggal jalma pasti resep kanu ngaranna guyang. Malahan mah mun euweuh kolam renang ge barudak mah sok guyang di walungan atawa situ. Diajar ngojay na ge rata-rata autodidak, teu make teori ti guru, ngan langsung praktek we bari diajarkeun ku babaturan. Komo mun ngojay di walungan anu berjeram mah, salian kudu bisa ngojay, kudu bisa oge ngaliwatan jeram jeung ngambang na cai. Lain wae katerampilan ngojay nu diuji, tapi oge mental nu kudu kuat. Tapi saleuwihna mah olahraga ngojay masih jadi karesep sagala jalma ti baheula nepi ka ayeuna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4605", "text": "Televisi memang miboga mangpaat jeung unsur positip anu mangpaat pikeun pamiarsa, boh mangpaat afektif kognitif boh mangpaat psikomotor. Nanging, éta gumantung kana program anu disiarkeun dina televisi. Mangpaat anu Kognitif patali jeung pangaweruh atawa informasi jeung Kaahlian. Kajadian kognitif ngawengku warta, dialog, wawancara jeung sajabana. Mangpaat anu kadua nyaéta mangpaat afektif, nyaéta patali jeung sikep jeung émosi. Kajadian-kajadian anu biasana ngababarkeun Mangpaat afektif ieu mangrupa kajadian-kajadian anu ngajurung panyawang dina raragaboga sensitipitas sosial, perhatian ka sasama jeung sajabana. Sedengkeun pikeun kauntungan katilu nyaéta mangpaat psikomotorik, anu patali kalayan lampah sareng paripolah anu positif. Kabeh mangfaat eta bisa kawujud gumantung naon acara televisi anu di tongtona.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1618", "text": "Di desa urang bakal ninggali pemandangan alam nu sae. Ti sawah hejo nu euweuh ujungna, pemandangan gunung nepikeun panon poe surup di desa. Pemandangan ieu gratis, urang teu kudu indit jauh siga orang kota jang meunangkeun pemandangan desa nu endah ieu. Ditambah kualitas udarana anu beresih, jadi mun nyeuseup udara teh karasa seger. Mindeng oge kadenge sora-sora manuk anu asalna ti alam, mun di kota mah geus susah ngadenge sora manuk teh da alamna ge geus asri, lolobana diganti ku gedung-gedung nu luhur. Di desa mah euweuh gedung kawas kitu. Jeung ku sabab jarang aya kendaraan, jadi teu nyebabkeun macet.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6523", "text": "Mun pepelakan usum hujan teh sok resep pisan sabab sok babari tumbuh jeung sok leubeut buahna teh. Tah, di buruan abdi teh ngahaja dipelakan tangkal apluket supaya bisa didahar buahna. Geus salila dua taun teh tangkal alpuketna geus sapantaran jalma dewasa. Unggal saminggu sakali sok dibere pupuk khusus supaya leubeut jeung sehat. Tangkalna teh loba cagakan kasisi. Daunna hejo meles pisan jeung rimbun deuihan. Taun ayeuna teh mimiti buahan, buahna teh meuni leubeut pisan nepi ka dahanna kudu ditulak da bisi semplak. Jigana mun panen ge satangkal teh pasti leuwih ti lima kilo da leubeut pisan. Mun geus asak mah rek dibagikeun we ka tatangga jeung dituang we nyalira.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2334", "text": "Masjid Istiqlal nyaéta hiji masjid nasional anu aya di Kota Jakarta Pusat , Daerah Khusus Ibukota Propinsi Jakarta , Indonésia . Ieu masjid mangrupa masjid panggedéna di Asia Tenggara jeung masjid panggedéna kagenep di dunya dina hal kapasitas jamaah.Diwangun pikeun miéling kamerdékaan Indonésia, masjid nasional Indonésia ieu dingaranan \"Istiqlal\", kecap Arab pikeun \"kamerdékaan\". Ieu masjid dibuka pikeun umum dina tanggal 22 Pébruari 1978. Di Jakarta, ieu masjid ayana di gigireun Istana Merdéka jeung Garéja Katedral Jakarta (Katolik) sarta ogé Garéja Immanuel (Presbyterian). Pangwangunan masjid ieu digagas ku Présidén Républik Indonésia waktu éta, Soekarno jeung Peletakan batu munggaran pikeun tanda dimimitianna pangwangunan masjid ieu ogé dilaksanakeun ku Soekarno-présidén kahiji Indonésia-dina 24 Agustus 1961. proyék masjid dirancang ku Friedrich Silaban, putra pendeta Lutheran tradisional anu leuwih dipikawanoh salaku Huria Kristen Batak Protestan. Desain masjid ieu mawa téma \"Ketuhanan\".", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1586", "text": "Salian kudu nyiapkeun dahareun, obat-obatan oge penting disiapkeun mun nyanghareupan kondisi bencana alam. Obat resep jeung obat eceran kudu diasupkeun kana kotak perlengkapan. Tambahkeun oge peralatan P3K nu eusina teh es batu instan, perban, salep antiseptik, gunting, plester peralatan jait raheut, jeung nu sejenna. Lantaran pas bencana, urang teu apal kondisi urang engkena kumaha, sukur-sukur masih keneh jagjag, tapi mun getihan kumaha? Matakan kudu mawa obat-obatan teh jang kondisi kieu, sahenteuna mun urang getihan keuna dampak tina bencana, urang bisa ngalakukeun pengobatan pertama samemeh dirawat ku ahlina. Ngameh getihan anu di derita oge teu nambahan parah ari ku urang geus diubaran mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2675", "text": "Waktu keur SMA, kuring miluan ekstrakurikuler penca silat Merpati Putih. Anu jadi sabab kuring kagum ningali demonstrasi ngarencah keun barang-barang sapertos patung logam, tuang semén, sareng blok és. Sareng demonstrasi kakuatan tanaga dalam anu dianggo pikeun ngadeteksi lokasi barang jeung bisa mentalkeun barang jeung nu pernah kalaokanan ku panon mah nyaeta ngabeledagkeun jalma katukang mani tarik. Waktu harita nu keur demonstrasi teh lanceuk palatih kuring, kaayaan panonna ditutup (panonna diplester + make tutup panon + lawon hideung) bisa ngabedakeun warna balon nu bakal pegat. Anjeunna oge bisa maca nameplates pamilon orientasi jeung panon na ditutup. Hanjakal kuring teu acan latihan Merpati Putih saprak kuring asup kuliah.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8278", "text": "Dyah ngamimitian usaha nyieun produk tina lawon anyaman lurik khas Yogyakarta. KaLu, singgetan tina \"Katun Lurik\", dipilih ku Dyah lantaran dianggap basajan tur gampang diinget. Lalampahan ngawangun usaha anu dilalui ku Dyah henteu gampang. Anjeunna mimiti nyobian ngalakukeun bisnis ti imah. Gagasan nyieun produk lurik teh lantaran manehna cicing di Yogyakarta sarta ningali poténsi anu gede pikeun nyieun rupa-rupa kreasi lawon gaya Yogya ieu. Nurutkeun Dyah, ilham datang nalika manehna nempo baju endah dijieunna tina bahan lurik dina majalah. Lalampahan KaLu oge lain tanpa tangtangan. Anjeunna geus ngaliwatan naek jeung turun. Kalayan modal anu terbatas, Dyah tetep optimis yen usaha anu dijalankeunana bakal ngabuahkan hasil.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3069", "text": "Tong ngabeakeun teuing sabab kagoda ku harga anu murah. Ieu ampir dilakukeun ku kalolobaan jalma anu hoyong nyimpen artos. Ku ngagaleuh seueur barang, aranjeunna panginten bakal langkung mirah. Promo sapertos kieu biasana aya nalika urang balanja di supermarkét. Aya seueur produk anu promosi, contona \"Beuli 2 Gratis 1\". Langkung sae, sateuacan ngagaleuh produk promo, pikirkeun heula naha éta kabutuhan atanapi henteu? Upami teu kitu, naha meuli teuing? Kumaha réaksi anjeun nalika ningali barang diskon di mall? Tangtu anjeun moal ngan malire eta. Tapi, éta sababna anjeun rada boros. Sanajan teu salawasna, kadang loba diskon sabenerna ngan hiji bubu keur urang. Nalika urang digolongkeun kana bubu diskon, deui urang bakal meuli loba hal anu teu diperlukeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "995", "text": "Salian smartphone, aya oge teknologi smartwatch. Smartwatch ieu jam tangan pinter anu teu ngan saukur jang ninggali jam, tapi bisa ngadeteksi denyut jantung, sare sabaraha jam, oge loba fitur-fitur nu sejenna. Smartwatch ieu kapake pisan ku urang komo deui pas olahraga, di mana fiturna teh urang bakal apal sabaraha lila olahraga, jeung sabaraha jauh urang olahraga, kaasup kalori nu geus ka piceun salila olahraga eta. Ieu oge berguna pisan di mana mun urang loba diuk, smartwatch bakal ngingetan urang jang gerak unggal sajam sakali. Jeung urang oge mun olahraga teu kudu mawa smartphone, cukup mawa smartwatch, soalna tiap panggilan atawa pesan WA bakal asup kana smartwatch, urang oge bisa langsung ngabalesna ngaliwatan smartwatch.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7128", "text": "Rumah Gadang nyaeta ngaran imah adat Minangkabau. Rumah Gadang asalna ti Propinsi Sumatera Barat. Rumah Gadang mangrupa salah sahiji imah adat anu gaduh ciri unik anu masih lestari nepi ka kiwari. Rumah Gadang sok disebut oge Rumah Godang, Bagonjong, jeung Baanjuang. Imah adat Minangkabau boga kaunikan anu aya dina wangun wangunanna. Wangun puncak hateupna mancung siga bentuk tanduk kebo. Hateup Imah Gadang anu melengkung jeung runcing biasa disebut Gonjong. Jaman baheula, hateup anu sekeut dijieun tina serat palem anu bisa tahan salila puluhan taun. Sanajan kitu, ayeuna hateup Rumah Gadang geus loba robah bahan ngagunakeun hateup seng. Imah adat Minangkabau wangunna segi empat sarta diwangun ku dua bagian, nyaeta hareup jeung tukang. ", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8841", "text": "Kaulinan anu dipikaresep pisan ku Dina nyaéta kaulinan masak. Dina resep pisan kaulinan masak. Tina kaulinan masak Dina diajar seueur hal, anjeunna diajar kumaha masak anu leres, Din ogé diajar strategi sareng manajemén waktos dina kagiatan masak. Ampir unggal poe Dina sok maen masak di hp bapana, jadi lamun bapana jauh, Dina sok bosen lantaran teu bisa maen game nu dipikaresepna. Tapi Dina gaduh solusi anu sanés, nyaéta maén mamasakan nyaan di luar bumina sareng réréncangan ti komplek. Sanaos teu seru sapertos maen hp, maen masak oge lumayan nyenangkeun, sareng tiasa ngubaran kasedih sangkan teu bisa maen mamasakan tina hp.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7662", "text": "Lamun urang bade nyobian bisnis, jualan dina aplikasi tiasa janten salah sahiji pilihan. Jualan dina aplikasi teh gampil pisan. Urang tinggal ngadamel akun sorangan teras ngirim poto dagangan urang dina aplikasi. Saatos eta urang tiasa masarkeun dagangan urang di sosial media urang supados seeur anu apal yen urang teh boga jualeun. Urang tinggal ngantosan jalmi anu meser, lamun aya nu meser, urang tinggal nyiapkeun kanggo ngirimkeun barang urang ka nu meser, teras mawa barang eta ka tempat anu bakal ngirimkeun barang urang, atawa bisa wae urang sorangan anu ngirim barangna ka konsumen. Duit hasil jualan eta bakal dipasihan heula ka aplikasi sateuacan dikirimkeun ka urang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2237", "text": "Tahlilan mangrupa tradisi Islam Nusantara anu boga tujuan pikeun ngedalkeun rasa simpati jeung empati ka kulawarga anu geus katarajang maot. Tahlilan mangrupa tradisi syar'i. Atawa dina basa sejen, tahlilan mangrupa syariat tradisional. Asal kecap \"Tahlilan\" ti basa Arab nyaeta Tahlil nu hartina maca kalimat Laillahailallah. Upacara tahlilan mangrupa prakték dina abad peralihan nu dilaksanakeun ku jalma-jalma nu kakara ngagem agama Islam, tapi teu bisa ninggalkeun kabiasaan heubeul. Tahlilan biasana nepika tujuh poé ti maotna hiji jalmi. Aya oge tahlilan anu opat puluh poé dugi ka saratus poé. Jaman kiwari ngalakukeun tahlilan teu sakabehna ngalaksanakeun. Aya sababaraha jalmi anu ngalakukeun tergantung kana kapercayaan sareng kamampuan na. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8888", "text": "Nalika indung kuring mimiti ngagaleuh oven, urang panasaran pisan pikeun nyobian nganggo éta oven teh, urang parantos ngabayangkeun yén urang bakal ngadamel seueur tuangeun nganggo éta. Dina hiji poe kuring rek nyieun kueh make oven eta, kuring nyieun adonan kueh heula, sanggeus eta loyang oge diolesan ku mentega. Sanggeus ngasupkeun jajan jeung nungguan sakeudeung, ujug-ujug listrik di imah pareum kabeh. Tétéla éta disababkeun ku oven kuring dipaké, sigana oven eta ngagunakeun loba listrik. Ku kituna kuring teu mungkas nepi ngagunakeun oven dipindahkeun kana loyang jeung ngukus kue jadi gantina. Saprak harita kuring teu hayang deui make oven eta, sieun lamun aya kajadian nu teu dihoyongkeun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7160", "text": "Suku di Kalimantan aya tilu, nyaeta Banjar, Dayak, jeung Melayu. Sadayana boga senjata has anu disebut mandau. Dina kahirupan sapopoe pakarang ieu teu bisa leupas tina nu bogana. Hartina, ka mana wae manehna indit, mandau teh sok dibabawa ka mamana ku sabab eta senjata oge boga fungsi minangka lambang jalma (kahormatan jeung jati diri). Jaman baheula, mandau dianggap boga unsur magis jeung ngan dipake pikeun acara ritual nu tangtu kayaning: perang, moro sirah, janten alat tari tradisional, jeung alat upacara. Suku Dayak jeung mandauna katelah ahli perang, maranehna ngalawan bangsa sejen anu datang ka Pulo Kalimantan, kaasup bangsa Malayu jeung bangsa Austronesia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8659", "text": "Salamet di gunung mangrupikeun pangalaman anu sesah sareng nguji wates daya tahan fisik sareng mental. Jalma anu ngalaman kaayaan kawas ieu bisa ngarasakeun rupa-rupa parasaan, kayaning panik, sieun, katiisan, kacapean, lapar, haus, sarta ngarasa terasing ti dunya luar. Maranehna kudu diajar nyanghareupan rupa-rupa tangtangan anu timbul di gurun, saperti cuaca anu ekstrim, rupa bumi anu hese, kakurangan dahareun jeung cai, jeung bahaya ti sato liar jeung tutuwuhan nu ngabahayakeun. Sanajan kitu, nalika ngatur salamet, hiji bisa ngarasakeun rasa reueus hebat sarta rasa prestasi. Pangalaman ieu oge tiasa ngajarkeun jalma pikeun langkung ngahargaan kahirupan sareng sadar yen manusa estu ngan ukur mahluk leutik dina nyanghareupan kakuatan alam anu ageung sapertos kitu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5895", "text": "Ayeuna mah mun ka ATM teh teu kedah ngangge kartu ge tiasa, jadi kur cukup mawa hape hungkul. Sabab ayeuna mah tiasa ngambil acis ngangge cardless, kur dikontrol tina hape hungkul. Teknologi canggih jiga kieu teh tos aya di sababaraha ATM di saluruh wilayah Indonesia. Mun abdi rek tarik tunai ge ayeuna mah teu kudu riweuh mawa kartu, tinggal eusikeun we nomor kode penarikan nana nu aya dina mbanking. Biasana mah abdi sok ngahajakeun tara mawa kartu da hese mawana, ayeuna mah deuihan aha teknologi tina smartphone iyeuh nu bisa ngendalikeun mbanking di mana wae jeung iraha wae rek dipakena.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4753", "text": "Tips lamun keur rugi aya deui nyaeta tuluy inovasi, Invoasi mangrupa hiji ciri urang daek keur tuluy di ajar. Sakumaha sarua jeug prinsip pangusaha nyaeta kudud terus daek di ajar jeung kudu terus inovasi milu kana perkembangan jaman, urang ulah babari nyerah sanajan roda hirup aya di handap, lain hartina hirup geus rengse. Justru ieu mangrupakeun waktu keur urang bangun deui jeung ngamimitian anu karek ti mimiti. Saha anu terang awal anyar ieu bakal ngajadikeun hirup anjeun langkung alus tibatan samemehna. Pikeun meunangkeun jeung neangan deui kasempetan bisnis atawa usahana, urang bisa ningali naon anu ayeuna keur tren di pasar kumaha. Urang oge bisa ngotektak media sosial jeung neangan naon anu diomongkeun jeung ngabetot ku jalma-jalma, tuluy anggap salaku ide dasar, modifikasi jeung ngamekarkeun nana ku inovasi.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "153", "text": "Sabda Alam Garut, baheula kadinya jeung kulawarga oge dulur-dulur naek kana mobil. Sabda Alam Garut teh nyaeta waterpark tapi caina panas. Tempatna lega jeung bisa ninggalian pemandangan anu harejo, tangkal kalapa jeung sawah. Harga tiketna Rp 60.000, aya loker oge nu warna-warni, aya warna biru jeung warna koneng, tapi kudu mayar deui Rp 30.000. Tamanna lega pisan jeung beresih. Tong sampahna aya di tiap juru jadi teu katingali sampah nu paburencay. Tuluy aya taman jang ulin budak leutik. Di gigirna aya tukang jualan. Ruang bilas oge loba pisan jeung beresih-beresih. Tuluy aya gazebo nu haratis teu kudu mayar deui. Lamun kadieu paling rame kolam ombakna. Salian kolam renang panas, aya oge taman manuk nu rupa-rupa manuk ti rupa-rupa daerah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7409", "text": "Mimitina olahraga suluncur dina salju atawa snowboarding ieu dikembangkeun di Amerika Serikat kira-kira taun 1960-an jueng populer di taun 2006. Malahan, snowboarding mimiti asup kana olahraga anu dilombakeun dina Olimpiade usum tiis 1988 anu diayakeun di Nagano, Jepang. Snowboarding nyaeta olahraga usum tiis dimana urang naek kana papan luncur di luhureun lamping anu katutupan salju. Aya sababaraha tempat anu janten paporit pikeun para peselancar salju nyaeta Gunung Es di Amerika sapertos Whistler Blackcomb di Kanada, nu mangrupa pilihan utama pikeun peselancar salju. Olahraga ieu kaasup olahraga ekstrim atawa bahaya lantaran urang kedah ngalakukeun ieu di luhur gunung salju anu cuacana tiris jeung dina luhureun tumpukan es anu licin.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3938", "text": " Wisata alam gunung galunggung termasuk wisata alam anu favorite di tasikmalaya, teu cuma nu hobi ngadaki gunung tapi bisa aheunteu na nikmati pemadangan nu endah atawa sakedar satai-santai ngaleupas stress. Tiket asup ka wisata gunung galunggung kaasup murah, di jero na urang geus bisa nimatkeun sagala nu aya didinya bisa foto - foto di sadiakeun properti na sigaimah imahan, sapeda jeung sajabana bisa oge mun rek renang atawa maen cai. Di wisata gunung galunggung oge loba pedagang nu ngajual sagala oleh oleh muali ti baju, bantai, kain, gelang nepi ka parabot dapur saperti coet jeung mutu harga jual na oge teu pati mahal. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "922", "text": "Rugged laptop nyaeta tipe laptop nu didesain khusus jang kabutuhan nu digunakeun pas kondisi cuaca nu ekstrim, misalna loba getaran, suhu udara ekstrim, jeung kondisi nu baseuh atawa kebul. Laptop ieu oge dijieun ku bentuk nu beda-beda. Ku kituna, rugged laptop jarang dipanggihan di pasaran. Salian ti eta, rugged laptop oge umumna dilengkepan ku keyboard nu lapisanna karet jang digunakeun di cuaca ekstrim, port konektorna oge katutup khusus, sarta layar nu caang pisan jadi bisa dipake di beurang. Sedengkeun bodi rugged laptop dina umumna dijieun tina logam campuran magnesium nu leuwih kuat mun dibandingkeun jeung laptop bodi biasa. Hardisk dina laptop ieu oge dilengkepan ku peredam getaran, jadina ngamungkinkeun digunakeun di luhur kendaraan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "168", "text": "Ranca Upas salah sahiji tempat camping alam nu aya di Ciwidey. Camping didieu cocok lamun hayang mawa kulawarga oge, atawa mawa budak leutik. Harga asup Ranca Upas kaasup murah Rp 25.000 jang wisatawan lokal, lamun wisatawan asing Rp 44.000. Lamun rek camping mayar deui Rp 15.000 saorangna. Kunaon disebut cocok lamun mawa anak oge, sabab fasilitasna lengkep, ti toilet, gazebo, aya penyewaan tenda oge, mesjid, tempat ulin budak leutik ge aya. Tuluy geus kaasup tiket ka penangkaran rusa, jadi teu kudu mayar deui. Paling lamun hayang maraban rusa na, meuli deui parab siga wortel Rp 10.000, lamun dangdaunan mah leuwih murah Rp 5.000. Camping didieu udarana sejuk.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8092", "text": "Kantos rame babaraha taun katukang perkawis perdebatan game mana nu leuwih hade, antara PUBG sareng Free Fire. Seueur pendapat nu nyatakeun upami PUBG teh game nu leuwih hade kusabab babaraha alesan. Alesan-alesan nu tiasa ngiatkeun pendapat upami PUBG leuwih hade, salah sahijina grafik. Grafik di game PUBG teh leuwih alus kusabab lewih realistis dibandingkeun game Free Fire nu grafikna leuwih katempo sapertos animasi. Salian eta game PUBG ge leuwih menantang kusabab jumlah pemain dina hiji game na aya saratus, dua kali leuwih seueur ti Free Fire. Janten kitu urang kudu leuwih jago ngatur strategi supados tiasa bertahan nika ahir game. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7030", "text": "Hasyim Asy'ari mangrupakeun saurang ulama utama jeung ulama sufi anu lahir di Kediri Jawa Timur dina warsih 1753. Dina yuswana anu ka 15 taun, Kiai Hasyim mulai hijrah pikeun diajar di sagala rupa pasantren di Indonesia. Anjeunna mangrupa pangadeg salah sahiji mazhab tasawuf nu kawentar tur boga pangaruh di Indonesia, nyaeta tasawuf Naqsyabandiyah. Hasyim Asy'ari gaduh pangaruh gede kana tumuwuhna Islam di Indonesia. Anjeunna oge seeur nyerat buku-buku ngeunaan tasawuf, sapertos \"Kitab al-Zuhd\" sareng \"Kitab al-Tauhid\". KH Hasyim Asyari ngadegkeun NU ku patunjuk ti salah saurang guruna, nyaeta KH Kholil bin Abdul Latif ti Bangkalan, Madura. Nahdlatul Ulama diadegkeun dina kaping 16 Rajab 1344 H anu bertepatan sareng 31 Januari 1926.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3620", "text": "Sabenerna kuring oge lahir di kampung anu baheulana asri, tiis jeung leubeut, tapi ti mimiti mekarna rupa-rupa industri, laun-laun kaayaan di kampung kuring barobah, sagalana geus barobah, mimitian ti lingkungan, mata pencaharian, komo sikep. jeung karakteristik warga.\r\n\r\nKapungkur, jaman alit, tiasa ningali gugusan béntang, teu kedah jauh-jauh ka Bromo atanapi ka gunung sanés, cekap aya di payuneun bumi bari ngantosan wengi. Geus cukup ku ningali gugusan béntang nu paburencay.imah bari silaturahmi jeung tatangga di tengah peuting nu poék mongkléng nu ukur caang bulan.\r\n\r\nIsuk-isuk kacida leuleuyna, mata pencaharian mayoritas pendudukna tani, leumpang anteng ka sawah, nyeduh kopi di sawah, ngaroko nepi ka kenyang, silih obrolkeun jeung salam-salaman di parapatan jalan, sabab ngaliwat. nyaho aranjeunna boss pikeun karya sorangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "482", "text": "Poe lebaran nyaeta salah sahiji upacara kaagamaan nu diayakeun sataun sakali. Poe lebaran ayana teh saenggeus bulan puasa. Peutingna poe lebaran biasana sok rame ku nu takbiran di masigit, ti mimiti Isya nepikeun ka adzan subuh. Kalimat nu diucapkeun teh nyaeta Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar, Laailaaha illallahu Allahu Akbar, Allahu akbar walillah Ilham. Nu takbiran teh sok lobaan teu hiji jelema wae, jadi sakali sewang ngarah teu cape oge bisa hemat tanaga jang isukna dipake poean lebaran. Lamun geus tunduh biasana diganti ku anu sejen, tuluy arurang sare dina karpet masigit, hudang-hudang teh subuh digeuingkeun tuluy geus sholat subuh mah balik ka imah jang siap-siap rek sholat idul Fitri.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3986", "text": "Jalan jalan atawa tour lobaan jeung bareng bareng ti pabrik teh rupana pikaresepeun nya. Komo jalan jalan na jauh kieu nepi ka yogya, urang bener bener loba ningali gawe na panitia didieu pembelajaran oge keur tepat waktu, soalna aya babaraha jelema nu di tinggalkeun gara gara telat. Samemeh mangkat urang bener bener ningali heboh jeung sumangetna ibu ibu jeung barudak nu rek milu ka yogya, sagala di bawa dahareun, camilan, minuman padahal eta kabeh ge di sadiakeun ku panitia. Aya nu mawa salmut jeung bantal oge, mikirna da ieu perjalana jauh. Di perjalanan oge urang loba ningali batur nu marabok perjalanan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6647", "text": "Kebab mangrupakeun kadaharan anu asal na ti daerah Timur Tengah. Tapi saur jalmi anu tos pernah ngadahar kebab langsung di tempat asalna rasa kebab di Indonesia sareng di Timur Tengah beda pisan. Di Indonesia kebab didamel ti kulit kebab anu dieusian sayuran salada, daging kebab jeung saos dicampur mayones. Abdi resep ngadahar kebab lantaran bentukna anu gampang dicepeng jeung gampang didaharna. Dina kebab tos aya protein tina daging sareng serat tina sayuran keung karbohidrat tina kulit kebabna, matakna abdi resep emam kebab. Tapi aya oge kebab anu dieusian daging hungkul jeung ditambihan rupi-rupi keju, nyaeta keju chedar, keju mojarela, jeung pasta keju. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5764", "text": "Basa dina kejuaraan nasional kamari, abdi ngiringan janten atlet arung jeram kontingen Jawa Tengah. Kejuaraan nasional arung jeramna digelar di Lampung. Abdi angkat ti saminggu samemeh hari H pertandingan. Abdi angkat ngangge bus kadituna sabab lobaan jeung tim putri. Salila pertandingan, lawan nu pang beuratna teh nyaeta ti kontingen Jawa Barat jeung Jambi. Tapi Alhamdulillah abdi tiasa mawa pulang medali perak tinu dua nomor pertandingan. Biasana mun kenging medali teh sok aya apresiasi ti pemerintah daerah sabab geus ngaharumkeun ngaran kontingen daerah. Jadi, abdi seneng pisan sabab di kejuaraan nasional arung jeram tain ayeuna bisa ngangkut medali jeung predikat juara umum dua kategori putra.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7642", "text": "Jualan seblak jaman ayeuna pasti bakal laku, komo lamun seblakna ngeunah jeung pangaosna teu pati awis. Abdi gaduh hiji langganan tukang seblak ti SMA keneh. Baheula mimiti abdi meser di ditu seblakna teh seeur pisan jeung geunah, komo lamun meser sonten pas balik sakola pas hujan. Manehna teu ngan saukur ngaical seblak hungkul tapi oge aya roti bakar jeung nginuman. Salaki na oge icalan tahu bulat. Manehna icalan eta di hareupeun kontrakanna anu teu pati badag tapi seeur pisan ku barang-barang icalan. Pas abdi balik deui ka ditu, manehna tos gaduh tempat seblak nyalira anu dilengkepan ku meja sareng korsi. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "443", "text": "Gambaran gempa dina Al Qur'an. Bumi mibogaan kabeungharan nu teu kaitung lobana, kaistimewaan nu gede, jeung mangpaat nu gede. Allah SWT atos ngadamel meh bisa dimangpaatkeun ku makhluk hirup. Tapi Allah ngajieun di jerona aya bencana alam jeung musibah nu karusakanna. Gempa nu bisa urang tinggali jeung denge ti waktu ka waktu sakabehna terbatas, di lokasi terbatas jeung mibogaan akibat anu terbatas. Sababaraha jelema nyangkana lamun perhitungan jeung sebab-sebab ilmiah tina gempa nu geus didugikeun ku para ahli. Maranehna ngomong ieu ngan peristiwa alam biasa nu kajadian jeung bisa dijelaskeun sacara rasional jeung ilmiah. Tapi dibalik kajadian sagala musibah, kaasup dijerona gempa bumi sok aya hikmah di jerona. Kabeh peristiwa alam semesta ieu ngan bakal kajadian ku ijin jeung takdir Allah SWT.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4150", "text": "Kasabaran dina basa nyaéta sikep nahan émosi jeung kahayang, sarta salamet dina kaayaan susah ku cara henteu ngawadul. Kasabaran mangrupa wujud kamampuh ngadalikeun diri salaku sikep anu miboga ajén luhur sarta ngagambarkeun kateguhan jiwa hiji jalma. Langkung luhur kasabaran hiji jalma, langkung kuat anjeunna dina nyanghareupan sagala rupa masalah anu aya dina kahirupan. Sabar sorangan asalna tina kecap Arab sobaro yasbiru anu hartina sabar. Nurutkeun istilah sabar nyaeta nahan sagala kasusah, kasedih, jeung nahan diri nalika nyanghareupan hiji hal anu anjeunna teu resep. Sabar mangrupikeun kakuatan, kakuatan positip anu ngadorong jiwa pikeun ngalaksanakeun hiji kawajiban. Jeung sajaba ti eta, kasabaran teh mangrupa kakuatan anu nyegah hiji jalma tina ngalakukeun kajahatan. Sabar dina Islam miboga kautamaan jeung mangpaat anu kacida gedéna. Sabab kasabaran téh mangrupa kabiasaan mulya anu kacida dipikabutuh pikeun sakabéh jalma. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5110", "text": "Tilu hobi nu bisa ngahasilkeun acis, simak ulasanna. Nu kahiji nyaeta fotografi. Ayeuna mah sagala bidang ngabutuhkeun fotografi, utamana keur promosi barang. Mun salira gaduh hobi fotografi, tiasa tawarkeun diri anjeun janten jasa fotografer wedding, wisuda, produk, atau sajabana. Hasil foto oge tiasa dijual daring dina website tertentu. Nu kadua nyaeta hobi nulis. Mun anjeun hobi nulis artikel, cerpen, puisi, atau sajabana, anjeun berpeluang ngahasilkeun acis ku cara ngirimkeun karya tulisan anjeun ka media massa. Pami tos dipublikasikeun, anjeun berhak kenging acisna. Nu katilu nyaeta hobi ngadesain. Mun anjeun gaduh hobi ngadesain, anjeun tiasa nawarkeun jasa desain ka perusahaan, atawa ngajual hasil desain poster di website tertentu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7645", "text": "Lamun hoyong ngaical dahareun anu tos seeur diical ku emang-emang anu aya dihareupeun sakola, hartina urang kedah nyieun anu beda sareng dahareun anu biasa diical. Lanceuk abdi basa pandemi kamari icalan cimol mozarela di imah. Asalna mah lantaran ningal aya nu ngaical cimol sultan nyaeta cimol anu dieusian ku keju. Tos sababaraha kali lanceuk abdi nyobian ngadamel cimol supados tiasa dieusian keju mozarela anu bakalan leeh lamun digoreng tapi oge teu gampang bocor kejuna pas digoreng. Tungtungna mah lanceuk abdi sukses nyieun cimol keju eta. Seeur pisan tatanggi anu nyobian cimol ieu anu dihargaan lima ratus perak hijna jeung ukuranna rada badag. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7626", "text": "Kagiatan wirausaha gaduh seeur pisan mangpaat, di antarana nyaeta urang tiasa ngabuka lapangan gawe anyar. Nalika urang geus boga usaha sorangan, komo lamun usahana geus gede, maka pasti urang ngabutuhkeun jalmi anu sanes kanggo ngarojong usaha urang supados tiasa minuhan kabutuhan anu meser. Matak teu heran lamun wirausaha ieu tiasa ngajadikeun lapangan gawe anyar jeung sakaligus ngamakmurkeun masarakat. Wirausaha oge gaduh peran dina ningkatkeun tumuwuhna ekonomi lantaran kawirausahaan mah pasti bakal patali jeung ekonomi, marak lamun urang ngalakukeun wirausaha urang oge sadar teu sadar atos ngabantosan kagiatan ekonomi, boh dina minuhan kabutuhan manehna sorangan, boh minuhan kabutuhan masarakat anu meser barang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4952", "text": "Mie rebus jadi salah sahiji tuangeun alternatif gagantos sangu sabab sarua ngandung loba karbohidrat. Mie rebus aya nu kuah aya oge nu goreng. Rasa na rupa-rupa, aya ayam bawang, kari, soto, rendang, bakso, jeung sajabana. Memang cara masak mie instan teh babari pisan, cekap ku di godog tilu menit dina panci atawa katel. Tapi, di sisi karbohidratna nu gede, mie rebus ge bakal jadi goreng lamun dituangna sering teuing mah. Bisa-bisa nimbulkeun mangrupa-rupa panyakit jiga diabetes, darah tinggi, kolesterol, jeung sajabana. Ku kituna, najan rasana nikmat tur harga na mirah, tong dugi ka hilap kana kasehatan awak sorangan. Yuk semet ti ayeuna mah kurangan nuang mie rebus teh. Kudu bisa ngajaga kasehatan awak sorangan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9479", "text": "Ku sabab Kelana jadi rengking kahiji di sakola, liburan semester ayeuna, Kelana jeung keluargana nganjang ka Pulau Seribu. Kelana indit ti Bandung limaan make mobil pribadi. Indungna, bapakna, manehna jeung dua adina. Ti mimiti nepi ka Pulau Seribu, manehna ngarasa bungah jeung kagum kacida. Kelana ngarasa, masih aya tempat anu asri jeung alami di deukeut Jakarta. Di Pulau Seribu, manehna jeung keluarga lalayaran, snorkling, ningali rupa-rupa lauk nu hirup di laut, jeung terumbu karang anu alusna kacida. Sorena, manehna dahar seafood nu masih keneh seger. Kerang, kapiting, jeung udang jadi menu nu dipesen. Manehna ngarasa puas bisa liburan jeung keluarga di Pulau Seribu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6533", "text": "Orang desa mah sok rajin ngalaksanakeun kagiatan babantu. Babantu teh nyaeta kagiatan ngabantuan tatangga atawa warga sadesa anu rek hajatan. Biasana babantu teh dilaksanakeun ti saminggu rek hajat. Saminggu rek hajat teh sok nyieunan rangginang jeung opak. Tuluy tilu poe rek hajat sok nyieunan peuyeum ketan. Tuluy sapoe samemeh hajat teh sok babantu nyieunan bumbu masak jang isukan hajatna. Mun bapak-bapak mah sapoe samemeh hajat teh sok babantu ngangkutan korsi jeung pas hari H na sok babantu narimaan beas ti tamu. Biasana mah babantu teh sok dilaksanakeun nepi ka beres hajat sabab supaya mastikeun yen nu boga hajat teh teu kateteran.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5451", "text": "Carita rakyat biasana sok dijadikeun cara jang mepende budak mun rek sare, biasana dilakukeun dina kagiatan rek sare peuting. Carana nyaeta nu kahiji siapkeun budak dina kaayaan rek sare, pakekeun pakean sare jeung golerkeun dina kasur. Geus kitu, urang milihan carita nu can kacaritakeun, milihna tina carita rakyat supaya aya pesan moralna jeung aya kaanasaran barudak. Tuluy tinggal urang nyaritakeun kisahna ka budak ku cara diucapkeun rada tarik, tong laun teuing. Tuluy we urang nyarita nepi ka beres, tuluy eta buda nepi ka sarena. Biasana budak mun didongengan teh sok langsung ngarasa tunduh sabab asa dipepende. Mun tos sare, karek we urang bisa ninggalkeun tuluy bisa oge urang langsung sare.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4176", "text": "Kuil téh tempat ibadah pikeun umat Konghucu. Panyebaran Konghucu ka Indonésia dilaksanakeun ku urang Tionghoa anu hijrah ka Indonésia. Konghucu diakuan di Indonésia babarengan jeung lima agama séjén kalawan paham kana filsafat Konghucu. Ngaran tempat ibadah pikeun agama Konghucu umumna nyaéta Miao, Bio, atawa Kelenteng. Candi-candi anu kasohor di Indonesia sapertos Candi Tay Kak Sie di Semarang, Candi Chandra Nadi di Palembang, Candi Tek Hay Kiong di Tegal, Candi Sam Poo Kong di Semarang, sareng seueur deui. fungsi candi dina kuil téh nya éta: Candi mangrupa sumber ajaran spiritual Candi mangrupa sumber lambang ajaran rupa-rupa kayakinan Candi mangrupa puseur pikeun kagiatan sosial jeung asimilasi seni Candi minangka pananda sajarah kamekaran masarakat Cina. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4994", "text": "Dinten kamari abdi mampir ka toko bungbuahan nu kabilang lengkap. Abdi milarian buah konyal tapi teu kapendak. Buah konyal teh kasebut langka tapi aya keneh seueur di sababaraha daerah. Abdi tuluy naroskeun ka teteh nu jagana. Duh nyaan wae ieu si konyal teh teu aya, nuju teu usum jeung deuh can pernah aya di toko bungbuahan ieu mah. Atuh abdi teh langsung ninggalkeun eta toko bet ka pasar milarian konyal. Di pasar tong kukurilingan ka sadaya tukang buah ge teu aya deuih nu gaduh konyal. Naha bet langki-langki teuing ieu buah teh. Rasana amis ngeunah tapi meuni hese dipilarian teh. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "974", "text": "Meresihkeun imah jadi kagiatan sapopoe nu kudu dilakukeun. Tapi teu kabeh jelema bisa ngalakukeun kagiatan eta unggal poe lantaran geus pasti cape ngalakukeun aktivitas eta sapopoe atawa keur sibuk ku kagiatan nu sejen. Jadi teu aneh mun sabagian jelema nyerahkeun tugas ieu ka asisten rumah tangga. Tapi mun ngagunakeun asisten rumah tangga kalah nyieun biaya bulanan ngabengkak. Sabab butuh biaya anu gede, tah ku kituna ngagunakeun robot asisten rumah tangga anu dirancang jang mantuan jelema dina ngajalankeun aktivitasna. Aya sababaraha jelema nu teu percaya mun robot bisa ngalakukeun kabeh hal jang meresihkeun imah. Teu ngan saukur di film hungkul, di dunia nyata wae ge robot geus mantuan loba hal jang ngababarikeun jelema.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6508", "text": "Biasana di lembur abdi mah mun usum hujan teh sok diparengan ku hujan angin. Hujan angin na teh sok badag pisan, nepi ka loba saung jeung tatangkalan anu roboh. Hujan angin kieu teh sok terjadi unggal pisan usum hujan atawa hujan ngamimitian di pancaroba. Malah mah kantos di deukeut imah abdi aya bencana angin puting beliung, nu nyebabkeun loba pohon tumbang jeung suhunan imah saruksak. Mantakna, warga inisiatif jang merenahan tatangkalan, nutuhan tatangkalan gede nu batangna ka suhunan imah. Jeung deuih nuaran tatangkalan geus kolot nu rapuh heg ayana deukeut pemukiman. Tah ieu teh jadi salah sahiji cara pencegahan potensi bencana alam angin puting beliung terjadi deui.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8029", "text": "Basket janten salah sahiji hobi nu dipikaresep ku loba jalmi di dunya. Basket teh maenna make bal nu bahanna tina karet janten eta bal dipantulkeun salila paulinan. Ukuran lapang nu dianggo keur maen basket teh nyaeta 28 kali 15 meter. Aya dua tim nu maen dina hiji pertandingan, satim diwangun ku 5 jalmi. Aturan gampilna nyaeta tiap tim kudu paloba-loba ngasupkeun bal ka na karanjang nu aya ditungtung lapang. Salian eta, lalajo pertandingan basket oge janten hobi babaraha jalmi. Aya babaraha liga nu tos kakoncara. Liga basket nu paling ka koncara di dunya nyaeta liga NBA nu aya di Amerika Serikat. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1929", "text": "Sanajan loba peminat udang salaku menu dahareun heuteu kaelehkeun, komodeui udang nu bisa nyieun pinuh sarta ngarasakeun daging udang nikmat. Udang bisa diolah jadi rupa-rupa jenis kadaharan anu kacida dipikabutuhna, paménta udang kacida luhurna di masarakat, komo deui geus réa warung-warung kadaharan anu dijadikeun ménu utama anu husus. Kawas udang bakar madu anu nikmat kalayan rasa anu amis sareng gurih dina daging udang. Olahan olahan olahan olahan olahan olahan madu téh mangrupa kadaharan anu ditunggu-tunggu masarakat lega lantaran gampang pisan nyieunna olahan olahan olahan olahan olahan olahan olahan olahan olahan jeung bumbu-bumbu anu kumplit, ku kituna anjeun bakalan meunang rasa anu lezat, nikmat, gurih sarta ogé lada.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2028", "text": "Dina taun kadua kuring SMA, aya hiji waktos dina kahirupan kuring dimana naek gunung \"prioritas hirup\". Mimitina mah kuring ngarasa éra, kuring kungsi kasasar jeung panik bari ngasurvey jalur atikan dasar para pecinta alam kelas ekstrakurikuler SMA Negeri 1 Bogor di wewengkon leuweung anu leubeut saméméh Perkebunan Teh Ciliwung Puncak. Saatos kajadian éta, kuring nekad pikeun ngasah kaahlian naek gunung kuring sareng sakedik jalma-gancang sareng kadang-kadang \"nyasabkeun diri sorangan\" pikeun ngalaksanakeun katenangan dina kaayaan kaayaan darurat. Tempat latihan teu jauh ti Kota Bogor, nyaéta Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango (TNGGP) anu puncakna Gunung Pangrango (3.019 meter dpl) jeung puncak Gunung Gede (2.958 meter dpl), sarta Taman Nasional Gunung Halimun Salak (TNGHS). ) jeung puncak Gunung Salak (2.211 méter dpl).", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3879", "text": "Jamu dijieun tina bahan-bahan atawa bahan-bahan tina tutuwuhan, atawa mineral jeung sari atawa campuran eta nu geus dipaké turun-tumurun pikeun pengobatan jeung ngajaga kasehatan. khasiat jamu dina ngajaga kaséhatan. Aya sababaraha loba jenis jamu, tapi aya babaraha jenis jamu anu kasohor nyaeta Beas Kencur, Kunyit asem jung jamu pahitan Brotowali. Mun soal rasa rata rata jamu teu ngeunah, rasa na ada saeutik bau na sigana gara gaar bahan baku rempah rempah ti tutuwuhan nana. Tapi rasa teu enak ieu mangfaat pisan keur kasehatan awak jeung bisa jadi vitamin keur ngajaga kasehatan ameh teu babari gering. Cara nyieun jamu umum na sarua nyaeta ngagodok rempah rempah tutuwuhan make cai terus di peres, Jamu bisa di inum sesuai kahayang lamun rek amis tinggal di tambahan gula atawa madu. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6655", "text": "Abdi kirang resep minuman anu rasana amis teuing. Biasana minuman bungkusan nu diical make gelas kangdungan gula na seeur pisan. Masalahna gula anu dipake teh sanes gula asli tapi gula jieunan jalmi. Minuman sapertos ale-ale, atawa nteh anu seeur rupi-rupi rasana biasana kirang sae kanggo kasehatan. Tipada meser minuman amis kitu, mending oge ngadamel cai enteh nyalira di bumi atanapi meser cai biasa wae. Minuman anu dibungkus make gelas plastik biasana ngandung pangawet jeung pawarna. Aya nu warna bereum, warna koneng, jeung warna coklat. Rasa minuman anu ngandung gula biang biasana amis teing teras nyangked dina letah. Kadang-kadang minuman anu aya warnaan oge sok napel dina letah.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5468", "text": "Di antara kabeh bungbuahan, aya hiji bungbuahan nu usumna teh teu lila, nyaeta rambutan. Buah rambutan teh mangrupakeun bugbuahan khas daerah Subang. Mun ngadangu rabutan, pasti weh langsung ngeuh na ka Subang. Rambutan teh ayana mun akhir tan dugi ka triwulan mimiti taun. Rambutan biasana dijual ku cara digedeng. Disusun ngarambat ka luhur tuluy diluhurna didaunan. Biasana sagedeng teh aya dua pocong. Tah nu jadi khas tina rabutan ieu nyaeta cara ngemas ngajualna, digedeng. Teu saeutik wisatawan nu beres jalan-jalan atawa sakadar lewat ka Subang, mareuli ieu rambutan jang oleh-oleh. Rasana nu amis jeung bentukna nu unik ngajadikeun ieu hiji oleh-oleh nu diboro-boro ku sabagean besar masyarakat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8034", "text": "Bu RT gaduh panyawat jantung, minggu kamari dicandak ka rumah sakit kusabab kumat. Ceuk dokter Bu RT kudu ngajaga tekanan darah sareng aktivitas fisik. Awakna kudu digerakkeun jang kagiatan nu ngalatih otot jantung atawa disebatna kardio. Dokter nyarankeun ka Bu RT jang lempang unggal isuk salila minimal tilu puluh menit. Dokter nyarankeun ieu kusabab bu RT tos rada sepuh janten teu tiasa olahraga nu berat-berat sapertos lari atawa senam. Janten ayeuna unggal isuk teh Bu RT katingal sok lelempangan di jalan sisieun sawah dibaturan ku incu-incuna. Saatos mulai kabiasaan eta ayeuna panyawatna tara kumat deui kusabab rutin oge dicek sareng ngajaga pola hidup.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5077", "text": "Mun jeung pun raka, abdi sok ka pasar kaget di jalan baru unggal poe Minggu isuk-isuk. Kadituna sok ngangge motor we da nga duaan. Pasar kagetna digelar di jalan baru minuhan kenca katuhu jalan. Aya tukang dahareun, tukang pakean, tukang parabot, jeung sajana. Sagala tukang dagang teh aya didieu mah. Hargana oge kabilang marirah, beda jeung d tempat sejen. Abdi biasana meser emameun di pasar nu ujung, paling tonggoh supaya bisa bari nikmati pamandangan pasawahan. Parkiranna aya di hiji tempat, hapir paling ujung tonggoh pasar kaget. Biasana pasar kaget digelar ti jam tujuh dugi ka jam sabelasan. Mun tos lohor mah tos teu aya pisan nu dagang, kembali deui jiga kaayaan semula.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3873", "text": "Bakso nyaéta kadaharan has Indonésia anu dipikaresep ku loba jalma. Istilah bakso asalna tina basa Hokkien, kulawarga basa di Cina jeung basa utama masarakat Propinsi Fujian. Naha disebut bakso? Sabab, asalna tina kecap 'bak' nu hartina daging, jeung 'so' dina basa Hokkien hartina kuah. Bakso dijieun tina daging dina bentuk buleud tuluy digodog terus di sajikeun jeung kaldu. Tapi ayeuna aya deui varian bakso, aya bakso halus, bakso kasar, bakso daging, bakso urat, bakso endog, bakso keju. Bakso ogé ayeuna lain ukur dijieun tina daging, aya ogé bakso vegetarian dijieun tina sayuran sarta aya bakso aci. Bakso ogé gampang kapanggih di mana waé, malah ayeuna bakso bisa diawetkeun jeung didahar iraha waé jeung dimana waé. Bakso na di bungkus ku vakum terus di tiis keun atawa di frozen.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5482", "text": "Alat musik gamelan teh salah sahiji alat usik tradisional nu maish eksis dugi ka ayeuna. Jumlah pemain gamelan makin kadieu makin loba wae. Biasana di unggal sakola ge sok aya ekskul seni budaya nu ngawajibkeun diajar maen gamelan. Maen gamelan teh salah sahiji cara nikmati seni musik nu syahdu. Di Sunda, musik gamelan teh sok dipake ngiringan sinden atawa tari jaipongan. Dina kancan nasional ge gamelan sok dipentaskeun dina nyambut acara-acara penting atawa nyambut acara nu digelar jang ucapan selamat datang ka tamu kahormatan Republik Indonesia. Gamelan oge jadi salah sahiji warisan budaya dunia nu ditetapkeun ku UNESCO. Ku kituna, hayu urang rawat babarengan eksistensi ieu gamelan!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3884", "text": "Teh telang atawa kembang bulao anu biasana naék pager imah pikeun ngahias jeung ngahias pakarangan, sabenerna miboga sajuta mangpaat pikeun kaséhatan manusa. Teh kembang telang boga loba mangfaat nyaeta bisa ngalawan épék diabetes, alus pikeun kaséhatan jantung, bisa ngalawan setrésjeung déprési sarta bisa ningkatkeun kaséhatan otak jeung sajabana. Sabenerna aya dua cara urang mun rek minum teh telang, bisa meuli nu ges jadi tuluy tinggal minum bisa di panggihan di cafe atawa depot jamu jeung bisa oge lamun rek meuli ramuan kembang telang na nu ges di garingkeun anu harga na kurang leuwih tili puluh lima rebu rupiah sabungkus. Dina sabugkus eta bisa di pake dua nepi ka 5 kali nyeduh. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3557", "text": "Ieu anu nyababkeun tatanggana saling curiga sababaraha taun saatos urang pindah ka bumi énggal. Hiji mangsa nalika balik ka imah ti solat subuh di masjid, bapa kuring bau pisan bau di gapura imah urang. Soré kuring ningali aya kantong kantong plastik anu robek dina talang gigireun gerbang imah. Jeung eusina pinuh ku sial manusa! sacara harfiah! Kuring langsung lapor ka kolot kuring jeung kolot kuring geus nyaho. Sababaraha poé sanggeus éta kajadian deui, sababaraha kali! Nepi ka kajadian nu pangheubeulna, kantong pelastik nu pinuh ku kokotor teh dicobek ku anjing tatangga urang nepi ka sumebar di tengah jalan. Bapa curiga ka jalma-jalma nu nyéwa hareupeun imah, wc umum didinya rusak.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "9460", "text": "Hiji pasangan, Maria jeung Rian, indit liburan ka Paris. Aranjeunna bungah ngajalajah kota romantis sareng ngarasakeun sagala kaendahan anu ditawarkeun. Satepina di Paris, aranjeunna langsung ka hotel anu parantos dipesen sateuacanna. Hotel ieu deukeut ka Menara Eiffel, ngarah gampang lamun maranehna rek jalan-jalan di sabudeureunna. Maria jeung Rian bener kagum ku Menara Eiffel anu megah. Aranjeunna kaget nalika ningali pamandangan Paris anu endah ti luhur manara. Sanggeus eta, maranehna leumpang di sabudeureun menara, ngarasakeun suasana romantis peuting di dinya. Balik ka hotel, Maria jeung Rian ngarasa takjub ku fasilitas jeung palayanan ti hotel eta. Ti mimiti restoran anu miboga suasana mewah, kadaharan nu ngeunah, jeung fasilitas kamar anu lengkep tur bisa minuhan sagala kabutuhan maranehna. Rian jeugn Maria ngarasa hotel di Paris jadi salah sahiji hotel anu paling alus tur mewah anu pernah maranehna anjangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8867", "text": "Lalakon pun biang nalika keur budak matak pikaseurieun. Pun biang pernah ngadongkeun pangalaman basa keur budak diajak nonton TV di alun-alun desa ku pun uwa. Jaman harita di desa can aya nu gaduh TV. Jadi mun rek nongton teh kudu ka alun -alun desa. Jeung nongtona teh ukur tiwengi da ti siang mah teu aya siaran. Kacaturkeun harita pun biang jeung pun Uwa keur pogot nongton salah sahiji acara dina TV. Keur raramena pisan, ujug-ujug breg hujan ngagebret. Atuh nu keur narongton teh bubar kaasup pun Uwa. Langsung sarerea pada mulang ka imah sewang-sewangan kaasup pun biang sareng pun Uwa. Tepi ka bumi pun biang kacida hanjeluna lantaran nongtona teu anggeus. Untung na pun Uwa gaduh radio alit jadi pun biang kabebenjokeun teu terus kuciwa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6759", "text": "Beus nmangrupakeun kandaraan umum anu dipake pikeun ngangkut panumpang ti hiji tempat ka tempat anu sejen. Beus biasana dianggo pikeun ngangkut seueur jalma dina jarak anu langkung jauh. Beus téh bisa dibagi jadi dua rupa, nyaeta beus umum jeung beus carter. Beus umum nyaeta beus anu nuturkeun rute sareng jadwal anu tangtu, sedengkeun beus carter nyaeta beus anu disewa pikeun tujuan anu khusus. Beus umum biasana ngagunakeun tiket, sedengkeun beus charter biasana nganggo biaya sewa. Beus umum oge tiasa dibagi kana rupa-rupa jenis, saperti beus kota, beus antar kota, beus lintas propinsi jeung beus lintas nagara. Beus umum oge tiasa nganggo sababaraha jinis bahan bakar, sapertos bensin, solar sareng listrik.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9346", "text": "Lamun anjeun babarengan jeung babaturan, perhatikeun jalma di hareup anjeun. Simpen telepon anjeun sareng dengekeun bari ngobrol. Ngarasakeun moments babarengan antara anjeun jeung babaturan anjeun. Pastikeun anjeun masing-masing gaduh waktos ngobrol anu sami salami paguneman, sareng anjeun leres-leres ngadangukeun naon anu dicarioskeun ku babaturan anjeun. Nampilkeun diri anjeun salaku pangdéngé aktip bakal ngabantosan anjeun ngembangkeun empati sareng ngawangun komunikasi anu efektif. Lamun anjeun mimiti ngarasa kawas anjeun acuh ka babaturan anjeun sarta kulawarga, éta waktu keur ngobrol. Mimitian ku ngabejaan manehna sabaraha anjeun mikaresep méakkeun waktu babarengan, tapi nyarankeun yén éta bisa nguntungkeun anjeun sarta sobat anjeun méakkeun sababaraha waktos ngalakukeun sababaraha hal sorangan unggal sakali jang sorangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2261", "text": "Nyaritakeun carita Nabi Muhammad ka barudak mangrupa waktu sare Islam nu kolotna bisa ngalakukeun. Salian ti bisa ngawanohkeun si alit kana sosok Rosul anu kaagungan umat Islam, kolot ogé bisa ngajar budak leutik pikeun nyonto sifat mulya Nabi Muhammad SAW.\nNyaritakeun carita Nabi Muhammad ka barudak mangrupa waktu sare Islam nu kolotna bisa ngalakukeun. Salian ti bisa ngawanohkeun si alit kana sosok Rosul anu kaagungan umat Islam, kolot ogé bisa ngajar budak leutik pikeun nyonto sifat mulya Nabi Muhammad SAW. Pikeun ngawanohkeun carita Nabi Muhammad ka budak, kolotna sorangan bisa ngamimitian carita saré ti kala lahirna Rasulullah SAW nepi ka meunang wahyu jeung da’wah pikeun nyebarkeun ajén-inajén Islam. Saparantos kitu, carioskeun sifat-sifat mulya Nabi Muhammad SAW anu kedah diconto sareng diterapkeun ku manusa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7020", "text": "Zakat Fitrah nyaeta zakat anu wajib dikaluarkeun ku satiap muslim di sasih Ramadhan atawa dina sasih Syawal. Aya sababaraha katentuan Zakat Fitrah, nyaet Zakat fitrah wajib dibayar dina bulan Ramadhan atawa dina bulan Syawal. Jumlah dana anu wajib dibalanjakeun pikeun zakat fitrah nyaeta 2,5 kg beas atawa duit saharga beas eta, janten upami urang biasa ngadahar beas anu hargana sapuluh rebu sakilo, Zakat Fitrah anu kedah dikaluarkeun nyaeta dua puluh lima rebu. Zakat fitrah wajib dibikeun ka fakir miskin, yatim piatu, jalma anu kurang mampu, jeung sajabana. Mayar zakat fitrah tiasa dilakukeun sacara online, di bank, atanapi di masjid. Zakat Fitrah kedah dilaksanakeun samemeh waktos solat Idul Fitri.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3036", "text": " Abdi Eskrim ngajualna teuing mahal teuing atanapi henteu. Naha kuring ngan masihan eta dahar és krim gratis. Naha aranjeunna resep atanapi henteu? Jsb euhh. Btw, anu nangtukeun hargana ti ibu. Sareng upami kuring ngajual kirang ti éta kuring henteu nguntungkeun. Masih kudu diajar deui, sabab ieu fun. Kuring ngan ujug-ujug nyieun tapi kuring senang kusabab respon jalma alus. Ku kituna kuring bungah pikeun ngajual eta. Abdi ngan ukur ngawartosan via WhatsApp sareng abdi malah budak leutik nalika mésér jajanan, lumayan kanggo sibuk di bumi bari ngajual es krim hehe. Oh enya. Ieu ngan usaha fad jeung teu nyaho sabaraha lila eta bakal lepas. Tapi laksanakeun heula kanggo milarian artos kanggo mayar kuliah :)\nSemangat pikeun anu ngamimitian usaha. Rejeki moal kamana-mana", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "911", "text": "Poco M5 asup ka pasar smartphone mid range di Indonesia anu hargana kajangkau nyaeta ngan saukur Rp 2.000.000 an hungkul. Mibogaan layar IPS LCD anu ukuranna 6.58 inci, smartphone ieu nampilkeun resolusi Full HD Plus. Dina segi kamera, Poco M5 nawarkeun sensor selfie 5 MP jeung tilu kamera tukang, dina kamera tukang aya kamera utama 50 MP, kamera makro 2 MP, jeung sensor depth 2 MP. Poco M5 oge dibekelan ku mode ultra jernih jeung mode potrait jang hasil jepretan nu alus. Batrena oge lumayan gede nyaeta 5.000 mAh. Geus didukung ku teknologi fast charging nepikeun ka 18 watt ngameh durasi ngeusian dayana leuwih gancang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2021", "text": "Saha nu mindeng stream on discord. Pamaké Discord kedah ngartos yén nonton gratis ngalangkungan aplikasi ieu, ngan ukur nyayogikeun jasa gratis dina résolusi 480p dugi ka 720p. Upami anjeun hoyong ngalirkeun data dina résolusi anu langkung luhur, anjeun bakal ditagihkeun ku bayaran langganan. Aya pilihan bayaran bulanan anu hargana $9.99 sareng pilihan bayaran taunan anu hargana $99.99. Di handap ieu prosedur anu ngawengku léngkah-léngkah pikeun nobar dina Discord ngaliwatan fitur Livestream dina komputer, nyaéta: Lamun anjeun geus boga akun Discord dina metodeu ditétélakeun saméméhna, pilih server munggaran pikeun nelepon. Pastikeun server dieusian ku babaturan sareng kolega anu bakal nuturkeun nobar. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4735", "text": "Alesan utama jelema anu mutuskeun leuwih milih usaha dagang di imah nyaeta waktu anu bebas teu kabeungkeut ku jam gawe, biasana jelema jelema anu mutuskeun milih di gawe sabage padagang anu dagang na ti imah teh jelema anu boga katerbatasan kana waktu jeung tempat, misalkeun awewe anu geus kawin anu teu di ijinan di gawe ku salakina kusabab kudu pokus nguruskeun sakali jeung imah na, sabage istri pan kudu tungkul ka parentah sakali jadi teu bisa maksakeun pikeun di gawe tapi hayang bisa boga panghasilan sorangan cara hiji hiji na nya kudu boga usaha atawa dagang weh ti imah. Jadi bari bakti ka salaki tungkul kana parebtah na tapi oge tetep bisa ngalakonan kahayang urang sangkan bisa boga panghasilan sorangan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "420", "text": "Nabi Musa mangrupakeun nabi nu paling loba dicaritakeun dina Alquran. Dina Alquran, Nabi Musa disebut 136 kali. Dina perjalanan Nabi Musa akhirna dipikanyaho lamun Allah SWT teu resep lalampahan nu sangeunahna atawa nu nyilakakeun batur. Eta sababna salah sahiji parentah ti Allah ka Nabi Musa nyaeta ngalawan raja nu boga kawasa pas zaman eta, nyaeta Firaun. Dina hiji poe, Firaun ngimpen Mesir kahuruan gede pisan. Impenan eta nu tuluy ditafsirkeun lamun hiji waktu bakal aya hiji orok lalaki nu bakal jadi musuh jeung ngancurkeun karajaan. Impenan eta nu nyieun Firaun marentahkeun pasukanana jang nangkap jeung ngabunuh orok lalaki, kaasup indung nu keur ngandung orok lalaki.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7182", "text": "Serunai, atawa disebut oge puput serunai, nyaeta ngaran pakakas musik tiup anu dipikawanoh di Indonesia minangka alat musik tradisional masarakat Minang. Bagian unik tina serunai nyaeta bagian tungtungna nu ngembang, anu dianggo pikeun ningkatkeun volume sora. Samentara eta, liang dina tarompet anu fungsina pikeun nyetel nada, ti handap ka luhur. Puput sernaj biasana dimaenkeun dina acara-acara adat anu rame, saperti upacara kawinan, penghulu (batagak pangulu dina basa Minang), jeung sajabana. Alat musik ieu oge biasana dimaenkeun sacara bebas, boh sacara individu, nalika panen pare atawa nalika nuju digawe di sawah. Musik ieu oge populer pikeun iringan pintonan silat masarakat Minang.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4228", "text": "Kujang nyaeta salah sahiji senjata tradisional ti suku sunda jawa barat. Kujang nyaéta senjata tradisional unik ti daerah Pasundan. Kujang mimiti dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja jeung bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram. Kujang mangrupikeun alat anu ngagambarkeun kajelasan sareng kakuatan kritis dina kahirupan sareng ogé ngalambangkeun kakuatan sareng kawani pikeun ngajagaan hak sareng bebeneran. Jadi ciri, boh salaku pakarang senjata, senjata tatanén, lambang, hiasan, atawa cinderamata. Nurutkeun Sanghyang Siksa Kandang Karesian pupuh XVII, kujang téh mangrupa pakarang para patani sarta ngabogaan akar tina budaya tatanén masarakat Sunda.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2395", "text": "Angklung mangrupikeun alat musik anu karesep kuring, sabab angklung tina awi, kuring resep kana barang-barang anu didamel tina kayu asli sabab gaduh keunikan masing-masing. Alat musik angklung ngabogaan wangun tabung, anu diwangun ku sababaraha alat ieu. Cara ngagunakeun angklung ku cara ngoyagkeun jeung ngageter, ogé pakakas ieu asalna ti wewengkon Sunda, Jawa Barat. Saterusna, angklung bisa dicoo sacara individu atawa kelompok. Teu paduli sabaraha jalma nu maenkeunana, angklung bakal tetep merdu. Unggal angklung disada hiji nada. Umumna hiji jalma nyekel angklung anu sorana ngan hiji sora. Dibutuhkeun loba jalma pikeun muterkeun hiji lagu sangkan unggal not bisa diwakilan.Utamana dina maén kord, loba jalma anu nyieun harmonisasi akord jeung résonansi. éta kesan tradisional.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2642", "text": "Cara Jogging anu leres\nSangkan anjeun tiasa kéngingkeun kauntungan anu maksimal tina jogging sareng ngirangan résiko tatu, turutan tungtunan ngajalankeun sareng jogging di handap ieu:\n1. Pamanasan saméméh jogging\nPemanasan sateuacan jogging penting pisan pikeun ngirangan résiko tatu, sprains sareng kram otot. Saméméh jogging, coba haneut nepi 5-10 menit. Sababaraha conto pemanasan sateuacan jogging anu tiasa anjeun lakukeun nyaéta. Nangtung dina hiji leg, goyang leg séjén deui mudik pikeun sababaraha menit, teras pindah ka leg séjén. Sanggeus éta, mindahkeun suku dina gerak sirkular, salaku manteng pikeun ankle nu.\nLeumpang santai, teras unggal 10 léngkah, luncat dina tempat ti suku ka suku ka tuur anjeun dina tingkat cangkéng. Laksanakeun luncat ieu salami 5-10 detik, teras teraskeun deui leumpang santai deui. Ngulang gerakan ieu nepi ka 4 kali. Leumpang ku ngangkat tuur anjeun ka tingkat cangkéng. Ngalakukeun nepi ka 10 kali dina unggal leg.\n", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6117", "text": "Salah sahiji ide jualan di imah teh nyaeta jajanan stup roti. Cara ngadamelna ge gampil, teu riweuh. Bahanna teh nyaeta roti tawar, susu plain, krimer, mentega, keju, meises cokelat, oreo, maizena jeung sajumput uyah. Mimiti, masak vla na make bahan susu plain, krimer, mentega, keju dina kompor api sedeng. Aduk dugi ka rata, terus mun tos campur rata tambahkeun maizena supaya ngentel. Mun tos kentel jeung ngagolak, pareuman komporna, antep nepi ka rada tiis. Geus rada tiis, kucurkeun vlana kana roti tawar, tumpuk rotina terus kucuran ku vlana dugi ka katutup. Luhurna tinggal pasihan topping keju, meises cokelat atawa oreo. Mun tos rata, tutupan wadahna tuluy asupkeun kana kulkas.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5821", "text": "Salah sahiji game anu rame pisan nyaeta Crazy Juicer. Game ieu teh loba dipaenkeun khususna ku budak ngora, sabab game ieu teh ngutamakeun katepatan. Crazy Juicer teh cara maenna teu pati hese, tinggal nuturkeun petunjuk. Mimiti, buka aplikasina, tuluy klik mulai atawa start. Geus kitu mah di lauar hape bakal muncul bungbuahan ting aracleng ka luhur. Tah, mun dirasa geus pas kana lurusan peso, klik peso na supaya bisa ngepas meulah eta bungbuahan. Mun geus kabeulah kabeh berarti level na geus full tinggal naek ka level salajengna. Biasana mun mimiti mah bakal aya sarupa buah, tuluy makin kaditu makin loba rupa buahna, jadi tingkat kasulitan na ge beda-beda tiap level na teh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "837", "text": "Aya loba jenis olahraga nu bisa dilakukeun di gym atawa di imah. Biasana olahraga kitu bisa dilakukeun make alat atawa henteu. Tapi mun resep olahraga make alat jeung hoream ka gym, bisa meuli jang dipake di imah. Tapi aya cara-carana saacan meuli alat olahraga. Nu kahiji kudu loba nanya. Jang pemula atawa kakara ngamimitian olahraga ngagunakeun alat, euweuh salahna loba nanya, boh ka babaturan atawa ka ahlina ngameh leuwih ngarti ngeunaan fungsi alat nu dek dipake. Nu kadua babari dipakena, ulah milih alat nu pejeulit, komo deui mun pemula mah. Nu katilu tangtuna mah mibogaan garansi. Ieu penting mun meuli barang lantaran bisa meunangkeun gantina lamun alat nu dibeuli ruksak.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7404", "text": "Paralayang nyaeta olahraga ngalayang bebas make jangjang anu dijieun tina kaen (parasut) anu hiber make suku pikeun tujuan rekreasi atawa kompetisi. Organisasi indukna nyaeta PLGI (Persatuan Layang Gantung Indonesia), sedengkeun PLGI sorangan aya dina naungan FASI (Federasi Olahraga Aero Indonesia). Paralayang angkatna ti lereng gunung atanapi gunung ku ngamangpaatkeun angin. Anu unik ti olahraga ieu nyaeta urang tiasa ngapung di langit teu make bantosan ti mesin, janten sadayana ngagunakeun tanaga angin. Matak teu heran yen olahraga ieu teh dilaksanakeun di gunung, kusabab ngabutuhkeun angin anu gede. Alat-alat anu digunakeun kanggo paralayang nyaeta parasut, hernes, jeung helem kabeh beuratna lima nepikeun sapuluh kilo gram. Sadaya alat-alat ieu tiasa diasupkeun kana tas sangkan bisa dibabawa kamamana. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2322", "text": "Bacaan tahlil nyaeta bacaan anu diwangun ku ayat-ayat Al-Qur'an sareng sholawat Nabi Muhammad SAW. Tahlil biasana dibaca ku umat Islam nalika marengan jalma nu geus maot. sabab eta oge aya dina bacaan syahadat. Ku kituna, bacaan tahlil téh bacaan anu ngandung kaimanan anu kacida luhurna. Tahlil mangrupa akronim tina kecap Tauhid \"La Ilaha Illa Allah\". Hal ieu dijelaskeun dina kitab “Yasin jeung Tahlil Dipirig Transliterasi & Makna Tahlil karya M. Quraish Shihab. Sedengkeun dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), kecap tahlilan dihartikeun, “Maca ayat-ayat suci Al- Al Qur'an pikeun nyuhunkeun rahmat sareng pangampura pikeun arwah anu maot.\"\r\nCara-cara tahlilal saperti kieu:\r\n 1. Muhasabah Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kanggo para sohabatna, Syekh Abdul Qodir Al-Jaelany, sareng jalmi-jalmi anu dimulyakeun sapertos Wali Songo, para sepuh, sareng para guru.\r\n2. Surah Al-Ikhlas tilu kali\r\n3. Baca mu'awidzatain atawa surah Al-Falaq jeung An-Nas\r\n4. Surah Al-Fatihah\r\n5. Surah Al-Baqarah ayat 1-5\r\n6. Ayat Kursi (Surah Al-Baqarah ayat 225)\r\n7. Ahir Surah Al-Baqarah (ayat 284-286)\r\n8. Berkah\r\n9. Istighfar\r\n10. Baca tahlil ieu di handap:\r\nla ilaaha illallah\r\nHartosna, \"Teu aya sesembahan anu pantes disembah anging Allah\".", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3923", "text": "Tomat salain nikmat jeung seger, bisa dijadikeun camilan di campukeun kana dahareun atawa masakan terus bisa oge di jadikeun inuman jeung sajabana. Tomat bisa asup kana kategori buah jeung sayur sarta loba pisan mangpaatna, saperti ngajaga kaséhatan jantung. Kandungan Lycopene jeung Beta Carotene dina awak tiasa mangaruhan résiko serangan jantung, Nyegah kanker, Ngaronjatkeun pencernaan, Ngajaga Kaséhatan Panon, Ngajaga Kaséhatan Kulit, Ningkatkeun Kaséhatan awak. Tmat teh ngandung loba psan vitamin, utama na vitamin C matakna tomat oge loba di pake dina campuran hand body nu bermangfaat bisa kana kasehatan kulit bisa ngalembabkeun jeung bisa nyieun kulit leuwih seger jeung bisa ngajien awet ngora.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1901", "text": "Siap pikeun patarosan wawancara janten pelayan ?. Aya sababara hal nu kudu kuurang ingget, salah sahijina ngabogaan jawaban siap pikeun patarosan naon waé anu bakal ditaroskeun bakal mastikeun yén anjeun henteu kaciri bingung ka manajer anjeun sareng yén anjeun parantos mikirkeun tanggung jawab padamelan éta.\nSababaraha manajer bisa nanya, \"Naon bagian favorit anjeun tina menu kami?\" atawa \"Lamun réstoran éta béak lauk, naon anu anjeun nyarankeun salaku alternatif?\" Diajar menu réstoran urang saacan ku ngadatangan situs review dahareun atawa ramatloka réstoran nu urang datang. Siap nyanghareupan kaayaan sabari tangguh. Sababaraha manajer tiasa naroskeun, \"Upami aya anu masihan KTP palsu pikeun mésér alkohol. Naon anu anjeun bakal lakukeun?\" atawa, \"Aya nu meuli, ambek ngeunaan piring maranéhna. Naon anu anjeun kedah laksanakeun?\" Bayangkeun hal-hal ieu sareng réspon sacara saksama.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7384", "text": "Olahraga henteu kedah dilakukeun di luar. Urang oge tiasa ngalakukeun eta di bumi nganggo alat olahraga, sapertos treadmill. Seueur mangpaat anu tiasa urang rasakeun upami urang rutin olahraga nganggo treadmill. Treadmil mangrupakeun parabot nu bisa nulungan urang leumpang, lumpat, nepi keun leumpang nanjak tanpa gerak. Alat ieu diideuan ku kumaha alat panggilingan dianggo nalika mesin teu acan diciptakeun. Di dunya olahraga, treadmill dipake pikeun lumpat atawa leumpang di hiji tempat, kalawan sabuk conveyor, nu didorong ku mesin atawa sacara manual. Dina waktos eta, urang kedah leumpang nyalira pikeun mindahkeun sabuk conveyer. Samentara eta, treadmill modern ngagunakeun listrik kalawan rupa-rupa variasi sangkan bisa gerak gancang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5069", "text": "Ceuk abdi pribadi mah, mun liburan hoyong berkesan teh kedah naek gunung. Ku naek gunung, urang jad bisa wawuh leuwih jero jeung babaturan sorangan. Urang jadi bisa apal sikap sabenerna jiga kumaha, komo mun capek mah sagala rupa kakesel teh sok tara kakontrol ku diri. Tah tidinya urang bisa ningali kaurangan babaturan. Salian eta, urang ge bisa nganilai solidaritasna, apakah eta babaturan cocok jeung urang ataukah perlu nu disesuaikeun deui. Eta mah dibalikeun deui ka diri urang. Ulah nepi ka nganilai ti hiji sisi. Tapi minimal, jang ngukur eta teh urang bisa nyaksian langsung ku ngajak babaturan eta naek gunung. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9453", "text": "Sababaraha tempat wisata bahari nyadiakeun fasilitas pikeun pengunjung bisa ngalaman mancing di laut. Upami anjeun minat, ieu sababaraha persiapan anu anjeun kedah laksanakeun. Kahiji, pastikeun anjeun gaduh alat mancing anu bener. Ieu ngawengku rod, reel jeung line, head jig, bait, jeung lures anu cocok pikeun jinis lauk anu bakal anjeun ala. Oge, pastikeun anjeun mawa baju jeung parabot anu bener tur luyu jeung kaayaan cuaca di laut dina waktu eta, kaasup jas hujan, topi, jeung sapatu husus pikeun mancing. Kadua, pastikeun anjeun terang dimana anjeun bade mancing sareng cara anu paling efektif pikeun ngajugjug ka eta tempat. Upami anjeun bade meuntas ka pulo nganggo kapal pribadi, pastikeun anjeun gaduh petunjuk anu leres sareng nurut kana sadaya aturan anu aya. Pastikeun anjeun gaduh idin anu diperyogikeun sareng turutan sadaya aturan anu berlaku pikeun daerah eta. Ku nyiapkeun sagala rupana saacan angkat, anjeun bakal tiasa ngarasakeun sensasi mancing di laut anu moal bisa dipohokeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5755", "text": "Ayeuna taun kadua Reki ngajalani jadi anggota ekskul voli di sakola SMA na. Taun ayeuna teh bakal aya pemilihan ketua ekskul voli nu anyar, ayeuna bagean angkatan Reki. Biasana kandidat dipilih berdasarkan demokrasi ti saluruh anggota ekskul voli. Pas muncul nama kandidat, Reki kaasup salah sahijina. Pas hari H pemilihan, Reki meunang suara terbanyak, jadi automatis bakal jadi ketua selanjutna. Alhamdulillah Reki poe ayeuna teh rek dilantik jadi ketua ekskul voli di sakolana. Reki atoheun pisan sabab dipercaya ku babaturanna dina ngemban ieu amanah. Mudah-mudahan bisa jadi ketua nu mawa perubahan jeung mawa hade ka ekskul voli di sakola ieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6748", "text": "Mondok di hotel teu kedah mahal. Lamun urang hoyong ngarasakeun pangalaman mondok di hotel tapi masih keneh sae di kantong, dalapan hotel ieu tiasa janten pilihan lantaran gaduh pangaos anu pang murah na di Bandung. Anu kahiji aya Hotel Ranga Asri anu pangaosna ngan 150.000 sapeuting, kadua aya Hotel Sentosa anu hargana 160.000 sapeuting, katilu aya Hotel Purnama anu sapeutingna ngan 170.000, kaopat aya Hotel Jati anu pangaosna 180.000 sapeuting. Kalima aya Hotel Salak The Heritage anu biaya sapeutingna 190.000, kagenep aya Hotel Grand Seriti anu pangaosna 200.000 sapeuting. Anu katujuh nyaeta Hotel Grand Serela pangaosna 210.000 sapeuting. Anu kadalapan na aya Hotel Grand Asia ngan 220.000 sapeuting.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8667", "text": "Aya dua sobatna, Andi jeung Budi, anu baheulana teh raket pisan jeung mindeng ngalakukeun loba hal babarengan. Sanajan kitu, hiji poe maranéhna meunang kana kasulitan sarta mungkas nepi dina gelut serius. Pasea nyieun hubungan maranehanana teu harmonis sarta ngarah ka pamisah. Andi ngarasa Budi geus ngahianat jeung teu bisa dipercaya. Budi, di sisi sejen, ngarasa Andi geus teu adil jeung teu ngahargaan sosobatan maranehanana. Duanana mertahankeun posisi masing-masing sarta teu hayang nyerah, jadi silaturahim maranehanana terus haseum. Teu lila, duanana teh ngajauhan teu nyarita. Silih ngajauhan kadeudeuh sanajan panggih di tempat anu sarua. Hal ieu ngajadikeun bunderan babaturan maranehanana teu nyaman tur teu pikaresepeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5335", "text": "Nabi Adam AS sareng Siti Hawa diturunkeun ka bumi dengan posisi tempat nu beda. Sakitu lilana Nabi Adam AS milarian Siti Hawa kaditu kadieu tapi teu kapendak. Tuluy Nabi Adam AS sujud taubat ka Gusti Allah SWT ngadoa supaya ditepangkeun deui sareng Siti Hawa. Tos opat puluh taun lamina nembe we ditepangkeun sareng Siti Hawa di Jabal Rohmah, tempat nu penuh ku kasih sayang. Tuluy Nabi Adam AS sareng Sti Hawa ngarumpuyuk deui tabat ka Gusti Allah SWT atas kasalahan nana. Gusti Allah nurunkeun sababaraha hewan ka bumi jang nyukupan kabutuhan Nabi Adam AS sareng Siti Hawa. Gusti Allah SWT oge nurunkeun 29 huruf hijaiyah nu jadi pedoman umat manusia dina neang elmu. Tuluy Nabi Adam AS sareng Siti Hawa ngajalani kahirupan seperti biasa dugi ka dikaruniaan katurunan.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4190", "text": "Ngauningaan budaya hiji suku, bisa ogé ngaliwatan pangaweruh ngeunaan imah adatna. Imah adat khas Jawa disebutna imah Joglo. Imah adat ieu baheulana ngan dipiboga ku bangsawan, raja jeung jalma nu dipihormat. Imah Joglo miboga kaunikan sorangan dibandingkeun jeung imah adat séjénna. Ngadugikeun jurnal Humaniora karya Djono, salah sahiji ajén kearifan lokal aya dina imah adat Jawa. Ieu katémbong dina rupa-rupa kaéndahan kabudayaan jeung kasenian anu dihijikeun jeung kahirupan masarakat. Rupa-rupa kasenian, tradisi jeung budaya anu aya dina karya warisan masarakat Jawa, saperti batik, imah Joglo, keris jeung gamelan. Imah Joglo mangrupa wangun imah adat Jawa anu strukturna panglengkep, ku kituna ajén-inajén kawijaksanaan anu dikandungna henteu nepi ka ayeuna dijelaskeun sacara lengkep.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9513", "text": "Hobi miara sato jadi salah sahiji hobi anu bisa ngadatangkeun loba mangpaat pikeun urang. Tina proses miara sato, urang bisa ngarasa boga batur dina sapopoe. Salian ti eta, hobi miara sato oge bisa ngajarkeun urang kana tanggungjawab. Kusabab, miara sato teh salah sahiji komitmen anu kudu ditedunan unggal poe. Dina ngarawatna, mere daharna, meresihanna jeung sagala rupa kabutuhanna kudu dicumponan. Nanging, menurut pangalaman, miara sato oge mere urang kapuasan jeung bingah sabab ngarasa berhasil miara sato ku cara nu bener. Salian ti eta, urang oge bisa boga peluang pikeun neangan panghasilan tina hobi urang. Urang bisa jadi peternak, terus hasil ternakna dijual ka nu miboga hobi sarua.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5862", "text": "Mun keur nyeuseuh make mesin cuci teh kudu ditingali sacara berkala. Mun keur ngeusian caina teh kudu dikontrol sabab bisi leber teuing. Geus kitu pariksa oge pakean na bisi aya koin atawa jarum nu bakal nyumbat kana mesin cuci terus nyebabkeun karusakan. Perhatikeun oge jumlah pakean, ulah nepi ka kaleuwihan teuing tina kapasitas sabab bisa oge nimbulkeun karusakan mesin. Dina proses pengeringan oge kudu diperhatikeun deuih, ulah nepi ka gagabrugan sabab bajuna teu rapih. Hal nu kitu teh bisa nyebabkeun mesin pengering tereh ruksak. Jadi, supaya mesin cuci bisa awet, yuk urang rawat masing bener supaya bisa kapake tahan lama!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "803", "text": "Lari oge mindeng jeung babaturan, biasana sok disampeur ka imah. Arurang indit teh geus sholat subuh, dina kaayaan langit masih keneh poek jeung angin nu nyelecep kana awak nu matak ngabirigidig. Ku urang sok diakalan make jaket, tapi mun geus rada beurang mah atawa rada kesangan mah sok dibuka si jaket teh lantaran hareudang. Sabab di kampung mah euweuh tempat olahraga jang lari, jadi lari teh sok mapay di sisi jalan. Titik akhirna nyaeta Pasar Patrol. Eta oge aya nu olahraga di stadion Jalak Harupat, tapi asa ribet kudu naek angkot heula. Urang lari sok make sapatu sakola, sabab teu boga sapatu jang olahraga. Ari nu sejen mah mindengna make sapatu jang mengbal.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "55", "text": "Cau goreng mangrupakeun salah sahiji jenis gorengan nu urang pikaresep, komo deui lamun cau gorengna rangu jeung haneut jadi ngagugah selera. Ditambah lamun cau gorengna di bagian luarna pelem, sarta rangu di bagian jerona lembut jeung rasana legit. Cau goreng babari dipanggihan di ampir tiap warung atawa tempat nu ngajual dahareun, bisa di sisi jalan, nepika di hotel ge sakapeung mah sok aya. Hargana oge lumayan murah, lamun di warung-warung biasana mulai ti Rp 500 nepi Rp 2.000 hijina, gumantung kana ukuran jeung rasa tina cau gorengna. Tapi lamun di restoran atawa cafe hargana bisa Rp 15.000 nepi Rp 40.000 saporsina, gumantung kana variasi jeung topingna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "431", "text": "Dina hiji kulawarga, aya hiji bapa nu gering jeung boga 4 anak. Faiz anu anak bungsu sok ngarawat bapana nu keur gering. Sedengkeun 3 anak nu sejenna embung ngarawat bapana. Nepikeun ka hiji waktu, bapana maot, Faiz sedih pisan. Lanceukna anu 3 tea kalakah nyokot kabeh harta bapana jeung indit ninggalkeun Faiz sorangan. Sababarha taun kahareupna, Faiz ngimpi panggih jeung bapana. Dina ngimpina eta, bapana nitah indit ka hiji tempat jang nyokot duit saratus dinar. Mimitina mah dihare-harekeun ngimpina teh, tapi sabab geus 3 kali ngimpina kitu jadi weh nurut indit ka hiji tempat nu geus disebutkeun. Apek teh bener weh manggihan duit saratus dinar. Tapi Faiz ngan nyokot sadinar hungkul da ngarasa teu butuh duit saloba eta. Tuluy meuli lauk. Pas nepi ka imah, istrina meresihan lauk eta. Tuluy reuwas pas meulah beuteung laukna sabab manggihan mutiara nu paling endah di dunya.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3577", "text": "Anjeunna mangrupikeun sosok anu ngajantenkeun kuring wani ngalakukeun terapi kemo. Anjeunna anu nguatkeun kuring nalika kuring murag sareng sok nyarios yén sadayana bakal beres, kuring wani botak ogé kusabab anjeunna hehe\n\nNalika yuswa 13 taun, urang duaan berjuang cageur tina kanker sareng tumor, anjeunna mangrupikeun sobat anu kuring kagumi :)\n\nManehna teh geulis, riang, pinter, sarta ogé tangguh tur nice ngobrol jeung, teu heran loba jalma kawas dirina, kaasup perawat, dokter, sarta sakabeh staf di rumah sakit jeung yayasan. Nalika kuring ngeureunkeun kémoterapi sareng parantos dioperasi pikeun terakhir kalina, anjeunna masih berjuang sareng kanker tulang. Geus sababaraha bulan kuring teu ngadéngé ti manéhna, panungtungan kuring dibéjakeun yén manéhna geus maot. Waktu kuring nepi ka kamar mayit kuring ceurik deui leuwih nyaring batan tadi. Seueur anu ngarangkul kuring sareng sababaraha kali nyarios \"ikhlas mirah\" kuring nyebat namina sababaraha kali ngarepkeun anjeunna bakal hudang. Kuring naros ka petugas pikeun muka peti sareng éta dinten terakhir kuring ningali anjeunna :)", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8905", "text": "Aya sababaraha ciri mobil listrik, kahiji, boga batré. Hiji fitur umum tina mobil listrik nyaéta pamakéan batré salaku kakuatan panggerak utama maranéhanana. Batré dina mobil listrik tiasa dicas pikeun ngecas dimana waé sareng iraha waé. Kadua, ramah lingkungan, sabab mékanisme mobil listrik ngagunakeun batré, sésa émisi sésa dina bentuk CO2 dina jumlah leutik, sahingga leuwih ramah lingkungan. Katilu, boga plat lisénsi has. Plat lisénsi mobil listrik henteu sami sareng mobil mesin konvensional. Kaopat, ngurangan émisi, suhu bumi geus ngaleuwihan ambang 1,5 darajat Celsius, sajumlah élmuwan prediksi yén dampak pemanasan global bakal beuki parah. Kalima, sora minimal sareng geter. Kagenep, mobil listrik teu ngahasilkeun noise sabudeureun. Kendaraan listrik anu henteu gaduh sora tangtos bakal ngajantenkeun supir sareng panumpang langkung nyaman. Kagenep, minimal geter anu ogé bisa nambahan kanyamanan di jalan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7451", "text": "Radio geus aya di Indonesia ti jaman kolonial Walanda. Dina taun 1920, siaran radio mimiti dilaksanakeun di Indonesia ku Radio Vereeniging. Saterusna dina taun 1925, Radio Bataviase jeung Radio Nederlandsch-Indische Omroep Maatschappij (NIROM) diadegkeun di Jakarta kalayan meunangkeun ijin siaran dina taun 1934. Saterusna dina taun 1937, radio-radio ieu ngabentuk asosiasi anu dingaranan Persatuan Paguyuban Radio Timur (PPRK). Sairing wakos dina mangsa kolonial Jepang, nalika proklamasi kamerdekaan digemakeun ngaliwatan siaran radio Hoso Kyoku, hasil panyelundupan para nonoman Indonesia jadi awal dibentukna Radio Republik Indonesia anu mineeng disebut singketan, nyaeta. RRI. Radio pamarentah ieu resmi diadegkeun kaping 11 September 1945 dina rapat anu dilaksanakeun ku wawakil stasiun radio di padumukan Adang Kadarusman. Hasil ti rapat ieu, Abdurahman Saleh diangkat salaku pupuhu kahiji.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4589", "text": " Aya rupa rupa jinis laptop anu biasana di tingali tina ukuran jeung karakterustik kagunaana nyaeta aya notebook atawa komputer jinjing anu ukuran na sakitas 10 inci, tuluy aya netbook ngarujuk kana spésiés komputer portabel anu gaduh spésifikasi anu tangtu. Netbook umumna ngagunakeun prosésor Intel Atom. Jenis komputer portabel ieu leutik, biasana kalayan layar sahandapeun 12 inci sareng beuratna kirang langkung 1 kg. Netbook jadi populer saenggeus Asus ngarilis produk anu disebut Eee PC . Dina waktos éta, komputer anu murah ieu ngagunakeun hard drive sapertos médium panyimpen USB Flash Disk (UFD) portabel, anu kapasitasna rendah 4GB. saterasna aya Mainstream Laptop ieu miboga ciri, nyaéta prosésor anu dipaké, contona Intel Core i5, i3, jeung Core 2 Duo, mémori sakurang-kurangna 2GB, ngabogaan Drive pikeun maca jeung nulis DVD, keyboard full-size, tuluy aya deui PC tablet nyaeta alat ieu gaduh layar toél sahingga gampang maén, sareng gampang dibawa ka mana waé.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5742", "text": "Salah sahiji atlet binaragawan anu sering ngajalani program diet supaya nyaimbangkeun komposisi jeung proporsi awakna nyaeta Ade Rai. Anjeunna terkenal ku program diet nu sok jadi andalanna nyaeta Intermitten fasting. Program diet ieu teh cocok pisan dilakukeun ku khususna ibu-ibu nu hese pisan nurunkeun berat badan. Pasalna, program diet ieu teh mun dilakukeun saminggu ge tos ngajamin karasa perubahan dina awakna. Program diet ieu ge dipercaya bisa nurunkeun berat badan sacara singkat jeung ringan. Jadi, mun hoyong diet nurunkeun berat badan sacara ringan teh tinggal tuturkeun we program inteemitten fasting. Yuk urang sehatkeun awak ku diet jeung ngatur asupan nu tepat!", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4028", "text": "Di tahun 2020 pas aya covid pan sagala aktivitas di ewehkeun kabeh jelema kudu cicing di imah jeung ngajaga kabersihan. Tapi lamun jelema nu teu bisa cicing paasti stress pisan, jadi lah pas covid loba hobi – hobi anyar nu di lakukeun ameh teu stress slah sahijina hobi kana tanaman hias jeung berkebon di imah. Matakna pas covid harga tutwuhan nyaeta tanaman hias, buah atawa sagalana jadi mahal. Tapi hobi eta ngadatangkeun manfaat ogr dimana lamun aya loba tutuwuhan di imah bakal jadi seger udara na jadi bersih nu akhirna kasehatan kualawarga jadi leuwih kajaga soalna ngahirup udara nu bersih bebas polusi. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8100", "text": "iPhone 13 mangrupikeun telepon seluler panganyarna ti Apple anu bakal diluncurkeun taun 2021. IPhone 13 gaduh desain anu sami sareng anu miheulaanna, nyaeta iPhone 12, kalayan pigura stainless steel sareng kaca di payun sareng tukang. Nanging, iPhone 13 ngagaduhan notch anu langkung alit dibandingkeun sareng iPhone 12, janten layarna langkung ageung. IPhone 13 ngagaduhan sistem kamera ganda dina tonggong, kalayan sensor kamera utama 12MP sareng sensor kamera ultra-wide 12MP. Kamera hareup oge dilengkepan sensor TrueDepth 12MP anu ngadukung fitur Face ID sareng ngamungkinkeun nyandak poto selfie anu kualitasna sae. iPhone 13 dikuatkeun ku chip A15 Bionic anu gancang pisan sareng efisien, ku kituna tiasa ngajalankeun sababaraha aplikasi kalayan lancar. Telepon oge dilengkepan 4GB RAM sareng 128GB, 256GB atanapi 512GB panyimpenan internal.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3867", "text": "Bakso dahareun nu asal na ti jawa nu di jieun ti daging nu di buleud buleud, campuran bakso sabenerna sederhana nyieuna ge babari tapi rasana ngeunah pisan, bakso cocok di dahar di kumaha wae suasana rasa na bisa seger komo mun di dahar siang nyieun cenghar mun panas panas – panas bisa oge di dahar keur hujan hujan bisa ngahaneutkeun awak. Bakso aya babaraha campuran na biasa na ayam mie koneng, bihun jeung sayur. Sayur nu biasa aya di bakso biasana sesin jeung toge. Toge di campukeun supaya nambah rasa garing jeung seger tina bakso, tapi kadang toge mun di campurkeun kana bakso ngajieun bakso jadi bau, sigana bau eta the ti toge nu sok di campr atah keneh. Tapi aya di babaraha temapt bakso nu toge na the di godok heula sakeudeng jadi teu bau. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4622", "text": "Kaméra asalna tina alat sarupa anu katelah kaméra obscura nyaéta kotak kaméra anu tacan dilengkepan ku film pikeun moto gambar atawa kalangkang. Dina abad ka-16 Girolamo Cardano dilengkepan kaméra obscura kalawan lénsa dina hareupeun kaméra obscura. Sanajan kitu, kalangkang anu dihasilkeun teu tahan lila, ku kituna penemuan Girolamo teu acan dianggap di dunya fotografi. Dina 1727 Johann Scultze manggihan dina panalungtikanana yén uyah pérak sensitip pisan kana cahaya, tapi anjeunna teu acan manggihan konsép kumaha neruskeun gagasan na. Dina 1826, Joseph Nicepore Niepce medalkeun gambar tina kaméra na, nu éta gambar kabur tina hateup imah dina piring tina alloy timah sensitized nu jadi katelah photograph munggaran. Lajeng, dina 1839, Louis Daguerre diterbitkeun papanggihan na dina wangun gambar hasil tina kalangkang hiji jalan di Paris dina plat tambaga plated pérak. Daguerre, anu gawé bareng dina 1829 jeung Niepce, nuluykeun program ngembangkeun kaméra, sanajan Niepce maot dina 1833, anjeunna ngembangkeun hiji kaméra katelah kaméra daguerreotype anu dianggap praktis dina dunya fotografi, dimana salaku ganjaran pikeun papanggihan na, Perancis. pamaréntah dileler anjeunna mancén hirupna ka Daguerre jeung kulawarga Niepce. The daguerreotype kaméra lajeng dimekarkeun jadi kaméra anu dimekarkeun ayeuna. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "466", "text": "Lima cara maca Alquran tartil, tartil teh nyaeta maca Alquran lalaunan jeung teu buru-buru. Cara maca Alquran sabari tartil di antarana, nu kahiji kudu apal huruf hijaiyah, huruf hijaiyah ieu jumlahna 29. Ngarti jeung apal huruf hijaiyah mangrupakeun elmu dasar dina maca Alquran. Nu kadua apal harokat, harokat teh nyaeta gerakan, gunana harokat teh jang nyorakeun huruf-huruf konsonan dina aksara Arab, nyaeta huruf konsonan nu disorakeun ku vokal a, i, atawa u. Nu katilu apal maca Mad, mad teh nyaeta panjang atawa manjangkeun. Tanda baca mad ieu diteundeun di luhur huruf. Nu terakhir apal elmu tajwid, hukum bacaan tajwid penting jang umat muslim nu maca Alquran. Sabab maca Alquran kudu bener jeung tartil.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8149", "text": "Sapeda listrik teh sanes teknologi nu anyar, teknologi ieu tos lumayan lami aya di pasaran. Sapeda listrik teh digerakkeun ku nu namina batre. Nanging teu sadayana gumantung kana batre kusabab sapeda ieu oge masih keneh aya pedalan janten tiasa oge digerakkeun nganggo suku. Sapeda listrik nganggo batre eusi ulang nu upami digerakkeun sapeda ieu tiasa ngalaju nika keun kacepetan 25 nika 32 km per jam di babaraha sapeda tiasa oge nika keun 45 km per jam. Di babaraha sapeda listrik ge aya nu dilengkeupkeun ku sensor. Sensor teh kagunaanna pikeun pengatur otomatis kanggo ngahurungkeun atanapi mareman motor listrik. Sensor ieu oge tiasa ngadeteksi kacepetan sapeda upami keur ngalaju.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8881", "text": "Ciri kaméra digital nyaéta cara kaméra digital nyimpen gambar maké kartu mémori, béda jeung kaméra manual anu masih ngagunakeun film roll. Kaméra digital dipikanyaho gaduh kartu mémori anu fungsina pikeun nyimpen sareng nyandak seueur gambar. Kapasitas kartu mémori langkung ageung tibatan kamera analaog jeung tiasa nyimpen rébuan gambar sareng panggunaanana ogé gampang pisan. Kaméra digital ngabogaan tampilan kalayan lapisan LCD, nyaéta Liquid Crystal Display. Kalayan LCD, pangguna kaméra digital bakal langsung terang penampilan gambar anu engkéna bakal diabadikeun nganggo kaméra jeung bisa ditingali iraha wae. LCD boga fungsi pikeun némbongkeun pamaké kaméra digital naon nu dicandak ku kaméra ngaliwatan tampilan layar.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1170", "text": "Nyieun usaha di imah tangtuna bisa mere loba mangpaat. Contona urang teu kudu nyewa tempat lantaran urang bakal ngajalankeun sakabehna di imah. Urang ngan kudu nyaluyukeun kabutuhan usahana. Tuluy modalna oge kajangkau, sabab teu kudu nyewa tempat, pastina usaha nu dijieun oge teu kudu mayar tempat atawa gudang. Modal nu paling gede paling ngan pas nyiapkeun perlengkapanna hungkul. Salah sahiji kaunggulanana oge nyaeta teu ngabutuhkeun usaha anu kaleuleuwihi, sabab batur bakal mantuan ngamasarkeun produk di media sosial, siga nu jualan kopi ayeuna geus di mana-mana. Jualan di imah oge bisa ngalakukeun sacara online atawa offline. Mun online ngeunahna bisa ngajangkau pasar nu leuwih lega deui ngameh bisa ngaronjatkeun penjualan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7434", "text": "Di usum pandemi covid-19, laptop janten kabutuhan anu wajib pikeun siswa SD nepikeun SMA. Lamun baheula laptop dipake ku barudak kuliahan, ayeuna barudak SD oge tos mulai nganggo laptop. Hal ieu lantaran barudak sakola mulai diajar ti imah sorangan-sorangan. Seeur sakola nu mulai nerapkeun sakola online via Zoom atawa Google Meet. Matak teu heran pas pandemi pangaos laptop naek pisan. Hal ieu utamana disebabkeun ku lantaran pausahaan anu nyieun laptop nuju ngalaman shortage. Shortage nyaeta kondisi nalika produksi barang nurun, tapi seeur konsumen anu hoyong meser eta barang, akibatna harga laptop naek lantaran teu saimbang antara produksi jeung seeurna jalmi anu meser. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "823", "text": "Minions teh julukan jang Kevin Sanjaya jeung Marcus Gideon salah sahiji atlet bulu tangkis asal Indonesia anu maen di regu ganda putra. Julukan Minions ieu dibere ku netizen lantaran dianggap mibogaan jangkung awak di handap rata-rata atlet bulu tangkis sejenna. Kevin Sanjaya jangkungna 170 cm, sedengkeun Marcus Gideon 168 cm. Gaya maen maranehna oge lincah jeung sok ngaluncat jeung mantul siga nu ditunjukeun karakter Minions. Permainan gancang nu ditunjukkeun Kevin jeung Marcus leuwih ngeunaheun ditongton, jadina teu babari bosen. Stamina jeung variasi cemesanna komo luncat kaditu kadieu geus siga Minions. Berkat maenna alus Kevin jeung Marcus peringkat ka hiji geus lila, tapi ayeuna mah ka geser ku ganda putra ti Indonesia nu sejen, nyaeta Fajar jeung Rian.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7187", "text": "Dumasar kana sajarahna, tari Bungong Jeumpa geus aya ti jaman karajaan atawa kasultanan Aceh. Para raja resep kana tarian ieu sabab dianggap mawa tuah ka karajaanana. Ku kituna tari ieu mineng dipentaskeun minangka tari resmi pikeun acara karajaan di karaton. Kecap \"Bungong Jeumpa\" anu dipake salaku ngaran tari ieu dina basa Indonesia hartina kembang cempaka. Kembang cempaka mangrupakeun kembang anu kakoncara sarta loba tumuwuh di dataran Aceh. Kembang ieu oge gaduh aroma seungit anu has. Ku kituna ulah heran lamun kembang ieu dipake salaku simbol kageulisan. Tari Jeumpa Bungong gaduh sababaraha pola gerak. Unggal pola jeung gerakan ieu salawasna boga harti husus nu jero tur harti. Hal ieu luyu jeung fungsi tari Bungong Jeumpa minangka cerminan masarakat nu ningalina.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7130", "text": "Imah adat Jambi ieu mangrupakeun padumukan Suku Marga Batin di Kampung Lamo, Rantau Panjang. Dicutat tina buku Arsitektur Tradisional Daerah Jambi (1986) karya Djafar jeung Anas Madjid, istilah Kajang Lako atawa Kajang Leko teh patali jeung hateup imah anu sarimbag jeung wangun parahu. Urang Batin oge sok nyebat imah adat ieu istilah rumah lamo anu hartina imah kolot. Wangunan Kajang Leko mangrupa imah panggung anu wangunna pasagi lebar 9 meter sarta panjangna 12 meter. Wangun sagi opat imah adat ieu boga tujuan pikeun ngagampangkeun susunan jeung fungsi rohangan anu nyepeng kana hukum Islam. Upamana, upami bade diayakeun rapat adat, kabeh nu hadir baris nempatan rohangan anu geus ditangtukeun ku adat. Kitu oge jeung lokasi kamar lalaki jeung awewe nu papisah jeung pajauh.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5831", "text": "Zaman ayeuna mah hape android teh jadi salah sahiji kabutuhan primer dina ngajalani aktivitas sapopoe. Cara milih hape android nu alus tapi harga murah teh nyaeta kahiji tingali heula merkna. Biasana satiap merk teh gaduh kaunggulan na masing-masing, aya nu tina segi batre, aya nu tina segi kamera, aya oge nu tina segi ketahanan, jeung sajabana. Tinggal sasuaikeun jeung kabutuhan irang dina naonna. Nu kadua nyaeta tingali review pemakean produk merk na. Misalna loba nu ngeluhkeun kasus batre lowbat, brarti kalemahan na dina batre, jadi sasuaikeun oge kabutuhan urang jeung kalemahan brand. Nu katilu nyaeta sasuaikeun jeung budget na, tong nepi ka maksakeun teuing meuli hape harga mahal bari jeung spesifikasina aya dina hape nu standar mah.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4945", "text": "Di Jatinangor, aya salah sahiji tempat tuang paporit abdi, nyaeta Hayam Mesir atawa sering ditelah Yamsir. Tah unggal balik ti kampus, abdi sok mampir kadieu jang meser tuangeun. Nu jadi paporit abdi nyaeta sambel tomatna, duh meuni beureum kacida tapi teu lada teuing, meujeuhna jang abdi mah. Yamsir teh ayana di seberangeun gang Ciseke Besar. Jadi, mun balik ngampus teh sok sakalian sabab da sajalan jeung jalan ka kostan abdi. Katelah Yamsir teh lain pedah hayamna dikirim ti Mesir atawa kumaha, tapi pedah sanguna nu dibentuk jiga piramid nu aya di Mesir. Unik pisan duh si ibu teh inspirasi dagangan nana. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3997", "text": "Jalan jalan kabeh kulawarga geus di rencanakeun ti mangtaun taun samemehna. Salian ti emang hayang bisa akrab siaturahmi niat gede na nayeta ngajakan nini jalan jalan ameh teu bosen, Puncak di pilih salian ti emang teu jauh teuing ti bekasi oge udara na anu seger jeung sejuk ti batan bekasi. Nini kaciri bahagia pisan bisa jalan jalan kumpul jeung kabeh anak incu jeung cicit cicitna. Urang nu ningali na ge jadi milu bahagia, Urangbisa bener bener istirahat nikmati hirup, ngobrol dahar ulin segalana urang lakukeun bareng ieu teh nambah akrab kabeh kulawarga. Ieu teh kali pertama nyieun acara kieu rencana na engke bakal di lakukuen 2 tahun sakali", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4203", "text": "Lagu Injit Injit Semut nyaeta salah sahiji lagu daerah anu asalna ti provinsi Jambi. Lagu injit injit semut ieu bisa di pake salaku iringan kana kaulinan ciwit-ciwit an,lagu injit injit semut ieu geus jadi pohara populer di kalangan barudak kalayan nada na gumbira jeunghartina anu sasuai pikeun barudak, Lagu injit injit semut oge loba di nyanyikeun ku barudak dina youtube, jadi aya sababaraha batur anu teu ngarti yen ieu lagu daerah nyakana ieu lagu injit injit semut teh lagu budak leutik. Lagu Semut Injit Injit mangrupa lagu rahayat anu gampang diturutan jeung ditembangkeun. Lagu ieu oge cocok pikeun ngajarkeun budak kusabab hartina nyaritakeun soal babaturan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9350", "text": "Iinditan atanapi jalan-jalan mangrupikeun salah sahiji cara anu pangsaéna pikeun ngatasi setrés. Psikolog ti San Fransisco, Amérika Sarikat nyebutkeun yén iinditan téh mangrupa kagiatan anu bisa ngaréngsékeun pikiran urang. Iinditan ka tujuan wisata favorit anjeun téh meuni pikaresepeun pisan, utamana lamun ngalakukeun hal eta jeung jalma pangdeukeutna, kayaning kulawarga, babaturan atawa pasangan. Janten, luangkeun waktosna kanggo jalan-jalan. Upami urang henteu gaduh waktos angkat ka luar kota atanapi luar negeri, ngan ukur ngurilingan kota cekap oge kanggo ngirangan setrés. Iinditan mantuan urang pikeun ngirangan tekanan, meunang sababaraha pintonan sarta ngapokuskeun pikiran urang, sarta awak urang jadi leuwih santai. Panaliti nunjukkeun yén liburan taunan tiasa ngirangan résiko panyakit jantung, bahkan manjangkeun umur.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "165", "text": "Kolam renang Riung Yudha anu di jalan Batujajar. Gigireunna Pusdiklatpassus. Urang sok mawa alo-alo urang kadieu jang ngojay. Kolam renangna mah gede panjang, jeung caina beresih, tapi ceuk urang aya sababaraha kakurangan. Nu kahiji, sakapeung kolam renangna dipake TNI latihan. Emang sih ieu kolam renang nu bogana TNI. Tapi lamun bisa masaarakat dibere nyaho jadwal pelatihanna, ngameh teu kudu ka kolam renang poe eta. Soalna keur ngeunah-ngeunah ngojay torojol dipake TNI latihan, atuh arurang teh kudu nyarisi da sabab kolam renangna dipake. Pernah oge geus asup kudu nungguan heula TNI beres latihan, ceuk urang mah buang-buang waktu. Nu kadua, lamun keur beurang, tempat diukna kapanasan, mun bisa mah disadiakeun oge tempat diuk anu semi indoor ngameh teu kapanasan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7069", "text": "Idul Adha, anu oge katelah ku Hari Raya Kurban, dilaksanakeun unggal tanggal 10 Dzulhijjah, bulan paneuri taun Hijriyah dina kalender Islam. Beda jeung perayaan Idul Fitri anu mangrupa poe kameunangan, Idul Adha leuwih ngagambarkeun kasabaran, kaikhlasan jeung pangorbanan ka Nu Nyipta. Acara utama dina perayaan Idul Adha nyaeta meuncit sato Qurban minangka lambang pangorbanan Nabi Ibrahim ka Allah SWT anu marentahkeun anjeunna meuncit putrana Ismail sarta digentosan ku embe. Dina Idul Adha oge dianjurkeun pikeun muslim anu mampuh meuli sapi atawa embe pikeun nyumbang kurban dina bentuk embe atawa sapi. Di negara anu sanes biasana nganggo sato onta jeung kibas.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2375", "text": "Abdi gaduh Mandau, pakarang khas suku Dayak di Kalimantan. Ieu Mandau bisa disebutkeun husus, sabab \"datang sorangan\" ka imah tanpa dibarengan ku nu boga, sarta tangtu tanpa kuring nanya atawa hayang eta jadi milik kuring. Saminggu di imah, kalakuanana mimiti aneh. Mindeng ngageter sorangan, sakapeung aya di loteng imah, ngageter siga ucing gelut. Lila-lila mah lain ukur kulawarga kuring nu kaganggu, kuring ogé kaganggu ku tingkah polahna. Tungtungna, kuring ngobrol jeung kolot kuring, sarta Papa mawa salah sahiji baraya na, katelah Belian atawa jalma pinter, ka imah kuring. Soréna nepi ka imah, manéhna (adi Bapa) langsung wudu jeung solat Magrib, tuluy wirid panjang (teu apal naon).", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5858", "text": "Mun ibu rumah tangga mah biasana leuwih milih mesin cuci manual tibatan mesin cuci otomatis. Loba ibu runah tangga nganilai yen nyeuseuh make mesin cuci otomatis teh kurang beresih kana baju. Terus sabab loba oge ibu rumah tangga nu can biasa ngagunakeun teknologi, jadi terkesan ribet cara makena sabab ku teu ngarti tea. Mun make mesin cuci manual mah kan nu teu beresih na bisa dibilas atawa dikucek deui ku leungeun. Terus kaberesihan seuseuhan na oge bisa dikontrol ku sorangan. Mantak eta ibu rumah tangga mah leuwih milih mesin cuci manual dari pada mesin cuci otomatis sabab dinilai bisa leuwih beresih.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5859", "text": "Mesin cuci teh jadi salah sahiji alat alternatif jang ngabantuan urusan nyeuseuh dina rumah tangga. Mun zaman baheula mah nyeuseuh teh sok kudu disikat jeung dikucek hiji-hiji nepi ka beresih, tuluy dibilas make cai nu loba. Tah, ayeuna mah aya nu ngaranna mesin cuci, alat paranti nyeuseuh pakean sacara singkat jeung merenah. Mun make mesin cuci mah seuseuhan teh tinggal diasupkeun hungkul kana mesin tuluy dibere sabun detergen. Tinggal klik tombol we supaya diseuseuh otomatis. Tah alat ieu teh dipandang jadi hal nu ngabantuan pisan kana urusan rumah tangga. Sabab salian bisa ngahemat sabun, oge ngahemat waktu jeung ngahemat cai jang nyeuseuh.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1880", "text": "Tina seueur olahan jus buah, jus alpukat mangrupikeun salah sahiji inuman séhat anu pang populerna sareng ogé dipikaresep ku seueur jalma. Rasana amis, nikmat, sareng cara ngadamelna gampang pisan ngadamel sari buah ieu ampir sok aya di sadaya toko anu ngajual sari buah. Jus alpukat sorangan beunghar asam lemak sareng serat anu séhat pikeun awak. Janten seueur pisan mangpaat jus alpukat anu tiasa urang peroleh upami rutin dikonsumsi. Beda jeung bungbuahan séjénna anu loba kandungan cai di jerona, alpukat sabenerna ngandung loba lemak. Dimana ampir 15 persén beurat alpukat nyaéta lemak, bahkan 77 persén kalori dina alpukat asalna tina gajih ieu. Sanajan kitu, kandungan gajih dina alpukat lolobana lemak teu jenuh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6679", "text": "Di jaman serba make internet ayeuna sagala hal tiasa dilakukeun, upami urang bade milarian naon wae pasti aya jawaban na di gugel atawa kari nonton dina yutub. Jalmi anu tadi na teu tiasa masak jadi tiasa masak ngan pedah nonton pidio tutorial dina yutub. Teu heran ayeuna seeur pisan yutuber anu ngadamel pidio masak, ngajarkeun cara masak anu gampang dituturkeun ku penonton. Yutuber biasana sanes chef atawa koki, tapi jelema biasa anu bisa nyieun pidio masak anu alus jeung jentre penjelasanna. Yutuber masakan biasana ngadamel pidio sakumaha dipenta ku penonton, ngarah pidiona seeur nu nonton. Yutuber masak bisa meunang duit ti iklan atawa jualan parabot masak.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "960", "text": "Kulkas nyaeta salah sahiji barang elektronik jang niiskeun atawa ngaleungitkeun suhu panas. Kulkas bisa ngawetkeun kadaharan sabab tumbuhna bakteri jadi ngalambar dina suhu nu leuwih rendah. Ayeuna mah pastina tiap imah mibogaan kulkas. Beuki mekarna teknologi, kulkas dijieun ngameh aman jeung perawatanna nu babari sarta hemat listrik. Fungsi teknologi kulkas nyaeta jang ngawetkeun kadaharan, jadina masarakat bisa neundeun kadaharan dina jangka waktu anu lila tibatan ngan saukur diteundeun dina lomari biasa. Salian ti eta, masarakat biasana nendeun inuman oge di kulkas ngameh tiis. Aya loba jenis kulkas anu aya di masarakat, aya nu 1 panto, 2 panto, kulkas freezer, jeung sajabana.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4504", "text": "Latihan treadmill mangrupa salah sahiji latihan anu cukup populér sarta mindeng dipaké salaku pilihan latihan di imah atawa di kamar kayaning gim. Henteu ngan kusabab sipat praktisna, tapi ogé kusabab seueur mangpaat treadmill pikeun kaséhatan, boh fisik sareng mental. Sababaraha anjeun masih kénéh teu wawuh jeung naon treadmill téh. Nya, treadmill mangrupikeun alat latihan kardio anu umumna dianggo di sababaraha pusat kabugaran. Ieu latihan dina leumpang atawa ngajalankeun dina mesin dina Pace ajeg. Ku jalan kitu, treadmill mangrupa alternatif lamun hoream olahraga kayaning lumpat isuk-isuk atawa ngajalankeun outdoor di soré. Upami anjeun ngan ukur hoyong ngamimitian kabiasaan latihan, treadmill mangrupikeun pilihan anu leres anu anjeun tiasa nyobian. Sabab, lain ngan ukur ningkatkeun kabugaran awak, tapi ogé mawa rupa-rupa mangpaat kaséhatan séjénna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6642", "text": "Ibu-ibu hayu urang ngadamel camilan anu sehat tapi gampil jeung pastina barudak resep nyaeta ager-ager nutrijel buah. Cara ngadamelna gampang pisan sabab urang tinggal ngadamel nutrijel teras dicampurkeun jeung bungbuahan anu dipotong leutik. Cara ngadamel nutrijel gampang pisan, kahiji urang campurkeun heula bubuk nutrijel jeung gula teras digalokeun, upami tos ngagalo tiasa ditambihan cai teras digalokeun deui nepikeun cair adonan nana teras dipanaskeun dina kompor nepikeun ngagolak. Adonan anu tos asak diantos heula nepikeun tiis teras dituangkeun ka citakan teras ditambihan bungbuahan potong. Upami sadaya adonan tos seep, nutrijel tiasa disimpen di kulkas nepikeun heuras. Urang tiasa nganggo nutrijel rasa buah, jeruk, melon jeung anggur.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4623", "text": "Kamera ayeuna ngabogaan loba fungsi diantarana, nu kahiji salaku média komunikasi kusabab poto atanapi video anu dicandak make kaméra mangrupikeun salah sahiji cara urang komunikasi jeung batur anu jauh, mere nyaho yen ieu urang ayeuna bisa liwat foto atawa video jeung bisa jadi tina video call liwat kamera kan bisa nyokot gambar atawa poto ngarekam jeung saterusna,nu kadua salaku atikan kaméra ogé teu leupas tina fungsina salaku média atikan. Peran ieu beuki katingali dina jaman digital ayeuna. Dimana, kelas online atanapi webinar mimiti mekar. Eusi tina hasil kaméra mimiti réa, saperti dina Youtube, Instagram, Facebook jeung sajabana éta ngabantosan jalma pikeun nerapkeun dimensi diajar énggal anu ngamungkinkeun aranjeunna ngabayangkeun pelajaran langkung saé, jeung anu katilu nyiptakeun kenangan Kaméra ngabantosan nyiptakeun sareng ngawétkeun kenangan ngeunaan nilai sajarah atanapi sentimental pikeun jalma atanapi sakelompok jalma. Kitu deui jeung kawinan, lolobana geus didokumentasikeun maké kaméra Dina basa sejen, kaméra geus jadi salah sahiji sumber paling berharga nu mantuan ngawétkeun sajarah jeung memori manusa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2830", "text": "Terus kumaha, upamana, Indonésia ngayakeun panalungtikan pikeun nyieun BBM sorangan di Indonésia. Sumuhun, éta téhnisna mungkin, sabab aya loba kandungan uranium alam di Indonésia. Supados Indonésia ogé tiasa ngékspor BBM PLTN ka luar negeri, sareng kéngingkeun deui runtah (anu gaduh ajén strategis militér anu luhur pikeun nagara sanés). Sanajan Indonésia mangrupa nagara anggota anu nandatanganan Perjangjian Non-Proliferasi Nuklir (perjangjian pikeun ngan ngagunakeun téknologi nuklir sacara damai). kanyataan yén Indonésia geus nyekel bahan baku pikeun pakarang nuklir geus jadi titik tawar diplomatik rongkah di masarakat internasional. Naha henteu ngan ngagunakeun sumber energi terbarukan sapertos solar, gas alam atanapi panas bumi? Pamakéan PLTN henteu ngaleungitkeun pangwangunan pembangkit listrik alternatif sanés. Masing-masing pembangkit listrik miboga rupa-rupa ciri, boh tina sisi positip boh négatif. Lamun pamarentah henteu ngudag pertumbuhan ekonomi, henteu ngudag kasempetan pagawean, muka industri, maka suplai listrik ayeuna bakal cukup.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "25", "text": "Cau mangrupakeun salah sahiji buah nu babari dipanggihan, pasti sok aya di tukang buah oge. Lamun kuring biasana ngadahar cau eta di kupas langsung di dahar, komo deui lamun geus beres olahraga. Ngameh bisa mempercepat pemulihan awak. Lamun keur diet, cau ku kuring sok dijieun smoothies, ngameh teu bosen rasana. Biasana dicampurkeun jeung susu rendah lemak, yogurt, atawa es krim, tuluy diblender. Smoothies ieu bisa jadi saran jang anu keur diet, kusabab bisa ngawaregkeun. Carana asupkeun kabeh bahan kana blender, tuluy lemeskeun nepi rata. Lamun geus lemes bisa langsung di eurihkeun kana gelas. Geus kitu bisa langsung diinum, atawa lamun hayang tiis mah bisa diasupkeun heula kana kulkas.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4606", "text": "Mesin cuci ayeuna sugana jadi alat elektronik wjib anu aya di unggal imah, mesin cuci ngajadikeun pagawean imah utamana nyeuseuhan teu ngan baju tapi sagalana jadi leuwih gampang jeung gancang. Jaman ayeuna loba jelema anu ges loba kasibukan di luar jadina teu sempet lamun kudud nyeusehan ku lengeun komo deui lamun nyeusehan na sakaligus loba anu mantak capek. Mesin cuci ieu penting pisan keur mantuan pagawean na, mesin cuci teu ngan saukur bisa nyeusehan atawa cuci hungkul tapi oge aya pengering na anu bisa ngagaringkeun baju nu geus para di seuseuh. Jadi baju anu geus parat di seuseuh bisa di garingkeun heula samemeh di poe keun.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4725", "text": "Parusahaan pasti bakal ngabutuhkeun pagawe anu tugas na keur ngalaksanakeun pagawean pagawean kantor anu kacida loba na, Tugas ieu teu alin nya keur jadi pangrojong pikeun parusahaan meunangkeun kauntungan anu maksimal dumasar kana visi sareng misi bisnis. Aya sagala rupa rupa jinis tugas kantor. Sacara umum, pagawean kantor mangrupa tugas anu ngatur jeung ngarekam rupa-rupa kajadian anu dilaksanakeun sangkan bisa jadi informasi anu mangpaat.Pagawean pagewe kantor teh luas pisan ruang lingkupna biasana dina hiji kantor boga rupa rupa divisi anu pagawean eung tanggung jawab na beda beda tapi saling ngaitkeun hiji jeung nu sejena. Pagawe kantoran oge datang ti latar belakanganu beda beda boh tina pandidikan jeung kaahlian na masing masing.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8822", "text": "Jaman kuring keur budak, paling resep lamun pas jam pelajaran olahraga. Sababna pelajaran olahraga mah teu pati kudu mikir beurat cara pelajaran matematika atawa IPA. Cukup ku daek gerak sakumaha anu dicontokeun ku guru. Harita olahraga nu pangdipikaresep ku kuring nyaeta bola voli. Sok sanajan teu pati bisa da serpen oge tara nyampe, kuring resep we milu rame-rame nepak bola bari silih sorak jeung babaturan. Jiga basa poe harita, pas pelajaran olahraga, kuring jeung babaturan dititah praktek maen voli. Anu mimiti serpen teh batur kuring si Ani, manehna mah sanajan awaknya leutik tapi teunggeulana tarik. Atuh bola labas asup ka lapang lawan bari teu bisa katahan. Meunang sababaraha poin si Ani terus-terusan ngasupkeun bola ka lawan. Pas giliran kuring neunggeul bola, si bola teh lain laju ka daerah lawan, tapi kalah mantul ka luhur. Atuuuh Kuring pada ngekeak disebut pamaeh. Kuring teu nyeri hate disebut kitu teh, tibatan nyeri hate kalahka milu seuri bari malik ngekeak ka babaturan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "868", "text": "Olahraga arung jeram bisa jadi salah sahiji kagiatan nu rame jeung bisa dilakukeun pas keur ngalakukeun wisata bareng babaturan atawa kulawarga. Olahraga nu biasana dilakukeun berkelompok ieu mibogaan loba mangpaat boh eta jang fisik atawa mental, siga nyehatkeun jantung, nyehatkeun otak jeung pikiran, nyageurkeun stress jeung depresi, nguatkeun otot-otot sendi, ngabentuk jiwa kooperatif, ngabentuk kamampuan gawe bareng jeung tim, sarta ngalawih wani jeung kapercayaan diri. Lamun hayang ngalakukeun arung jeram, urang kudu apal kondisi diri sorangan jang siap milih tingkatan nu bakal diliwatan, soalna aya sababaraha tingkatan level di arung jeram. Sabenerna teu bahaya ngalakukeun olahraga arung jeram ieu mun milu kana prosedur kasalametan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "4528", "text": "Aya sababaraha olahraga ektrem, olahraga anu biasana loba di jauhan jeung di anggap bahaya ku sabagian jelema tapi nyata na teu eleh loba jelema anu resep ka olahraga ekstrem. Olahraga ekstrem anu aya di indonesia mah sabenerna ges bisa di sebut olahraga anu aman, soalna ges loba ngagunakeun alat kaamanan anu canggih jeung biasana geus di damping di barengan ku jelema anu ges ahli. Olahraga ekstrem boga daya tarikna sorangan, salian tina bisa ngajaga stamina jeing kasehatan olahraga ekstrem teh loba mawa dampak positif utamana tina kaitan kasehatan mental. Kasehatan anu dimana loba jelema anu ges loba merhatikeun jeung ges loba oge korbana. Kasehatan mental sarua pentingna jeung kasehatan fisik, kasehatan mental bisa tetep kajaga lamun urang ti mimiti ges boga pondasi mental anu kuat. Pondasi mental ieu oge salah sahiji mangfaat tina olahraga ekstrem saperti bisa ngontrol emosi, bia ngontrol asa panik jeung bisa hiiru[p leuwih wani kana sagala tantangan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2719", "text": "Ningkatkeun Kualitas Kahirupan\r\nMangpaat olahraga henteu ngan ukur ningkatkeun kaséhatan fisik, tapi ogé ningkatkeun kualitas kahirupan. Sababaraha di antarana nyaéta:\r\nNingkatkeun wanda\r\nNalika anjeun ngarasa setrés, atanapi dina wanda goréng saatos dinten anu setrés, leumpang gancang 30 menit atanapi latihan di gim tiasa ngabantosan anjeun ningkatkeun haté anjeun. Latihan tiasa merangsang bahan kimia dina uteuk anu ngajantenkeun anjeun langkung bagja sareng santai.\r\nTumuwuh kapercayaan\r\nLatihan rutin ogé tiasa ngajantenkeun anjeun langkung percaya diri ngeunaan penampilan anjeun.\r\nNgungkulan setrés\r\nPanaliti ngeunaan épék psikologis tina latihan ngungkabkeun yén éta tiasa ngirangan depresi sareng ningkatkeun kamampuan pikeun ngatasi setrés.\r\nNyieun saré beuki nyenyak\r\nNaha anjeun sesah bobo wengi atanapi sering hudang tengah wengi? Latihan anu teratur tiasa ngabantosan anjeun bobo langkung gancang sareng nyenyak. Tapi ulah exercising deukeut teuing ka waktu sare.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1634", "text": "Menteri Perhubungan Karya Sumadi ngaluncurkeun gerakan nasional balik deui make angkutan umum di Palembang. Anjeunna oge ngabagikeun 5000 kartu akses angkutan umum nu kaintegrasi ka pelajar jeung mahasiswa. Dina peluncuran gerakan ieu, dilakukeun penyerahan sacara simbolis kartu elektronik saloba 5000 kartu jang pelajar jeung mahasiswa, nu mangrupakeun program subsidi ti Kemenhub gawe bareng jeung Bank Pembangunan Daerah Sumsel Babel. Ku cara di Topup 25 rebu, kartu eta geus bisa dipake jang naek LRT Sumsel, Beus Trans Musi, jeung angkot salila 1 bulan ku jumlah perjalanan nu teu dibates. Gerakan ieu tujuanna ngameh masarakat balik deui ngagunakeun angkutan umum tibatan make kendaraan pribadi dina ngalakukeun aktivitasna sapopoe.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5429", "text": "Rumah adat Honai nyaeta rumah adat Papua nu gaduh kaunikan beda ti imah pada umumna. Beda jeung imahadat pada umumna nu biasa make suhunan, rumah Honai mah dijieunna tina alang-alang, jeung bentukna satengah buleud ka handap, jadi teu boga bentuk suhunan jiga imah biasana. Dinding na oge dijieun na tina kau ngabentuk bundar, nu ditalian ku rotan. Bentukna mungil jeung minimalis, beda jeung imah adat pada umumna. Desain rumah Honai terinspirasi tina sarang manuk. Rumah Hona ieu teh masih seueur pisan ditemui jeung dihuni ku suku Dani dugi ka ayeuna. Teu jarang oge dijadikeun tempat wisata adat kangge turis atawa wisatawan lokal.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7413", "text": "Barudak kalahiran 2000-an pasti tos teu asing deui sareng kaulinan tetris. Kaulinan ieu kaasup kaulinan anu katingali gampang padahal tiasa nyieun urang terus mikir. Baheula di jaman hape masih keneh tombol seeur urang tiasa ulin tetris dina hape. Jutaan jalma di sakuliah dunya kungsi nyobian kaulinan nu nguji nguji katangkasan dina numpuk balok ieu. Kaulinan basajan ieu munggaran dijieun ku elmuwan ti Uni Soviet ngaranna Alexey Pajitnov dina 1984 di laboratorium Akademi Elmu Soviet. Waktu eta kaulinan ieu teu acan disebut Tetris, ngaranna Tetrominoes. Pajitnov nyieun ieu kaulinan make komputer kuna, komputer mimiti jaman eta. Kaulinan ieu tiasa dimaenkeun ku saha wae, ti budak leutik nepikeun ak-aki.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7663", "text": "Di jaman pandemi seeur pisan anu ngamimitian bisnis online. Aya sababaraha mangpaat sareng kauntungan dina bisnis online ieu, di antarana nyaeta tiasa ngajangkau pasar anu teu aya batasna. Cukup dimodalan ku internet hungkul urang tos tiasa ngabuka toko online anu tiasa ditingal ku saha wae di sakumna dunya. Jualan dina aplikasi oge tiasa dibuka jeung tutup iraha wae, teu sapertos toko biasana anu kedah di buka jeung di tutup dina waktos anu tangtos. Kanggo jalmi anu teu gaduh seeur modal, bisnis online ieu tiasa janten pilihan lantaran urang teu kedah nyewa ruko atawa tempat kanggo jualan. Urang tiasa nganggo imah urang sorangan kanggo nyimpen barang dagangan. Komo aya oge pilihan dropshipper nyeta urang teu kedah nyimpen barang. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8792", "text": "Olahraga anu dipikaresep ku seueur barudak nyaéta kasti. Kaulinan kasti ieu boga dua alat, nyaéta bal na eta sorangan jeung tongkat kayuna. Cara maénna ogé gampang, urang ngan ukur kedah mukul eta bal sajauh mungkin supados urang tiasa lumpat ka pos kahiji kalayan aman. Saenggeus pos kahiji, lamun tim nu jaga geus boga bal, leuwih hade urang eureun heula jeung pindah ka pos kadua. Giliran pamaen salajengna mukul, urang karek bisa neruskeun ka pos salajengna, terus kitu nepi ka pamaén béak. Tapi mun urang katarajang ku balna bari lumpat, mangka waktuna ganti posisi jadi tim penjaga. Tim anu unggul nyaéta tim anu pamaénna ngalangkungan sadaya pos kalayan aman.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9472", "text": "Pangalaman liburan anu teu bisa dihilapkeun mangrupikeun pangalaman anu pikaresepeun sareng bakal diinget ku urang salami hirup. Bisa jadi basa nganjang ka tempat endah tur asri, atawa meureun ngan meakkeun waktu jeung jalma nu dipikacinta di tempat anu sederhana. Contona, hiji pangalaman pakansi anu paling pikabungaheun - ulin ka pantai kalawan keusikna nu bodas lemes sarta cai laut beresih. Di dinya, anjeun tiasa sidendang di pantai bari ngarasakeun Panonpoe teueleum di laut anu lega, atanapi nyelem ka dasar laut pikeun ningali karndahan jero cai anu endah. Anjeun oge tiasa nyobian sababaraha kagiatan anu seru sapertos ngojay, snorkeling atanapi surfing. Pangalaman liburan anu pikaresepeun oge tiasa lumangsung di tempat anu langkung sederhana, sapertos nyeepkeun waktos sareng kulawarga atanapi babaturan di vila. Di dieu, anjeun tiasa bersantai di sisi danau anu indah bari ngaraosan hawa seger sareng pamandangan alam anu asri, atanapi malah ngan ukur senang-senang sareng anu dipikacinta. Dasarna, pangalaman liburan anu teras kaemut nyaeta pangalaman liburan anu nyugemakeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6527", "text": "Opat jenis tanaman sayur nu gampang pisan dibudidayakeun nana. Nu kahiji nyaeta kangkung. Kangkung teh babari pisan dibudidayakeun sabab bisa ditanam dina sagala musim. Nu kadua nyaeta cengek. Cengek teh babari dibudidayakeun sabab bisa tumbuh di mana wae, jeung deuih masa panen na teh tereh pisan ti penanaman nana, ngan sakira tilu bulanan langsung bisa dipanen. Nu katilu nyaeta tomat. Melak tomat mah babari pisan, teu kudu perawatan khusus, jeung deuih dua bulan ge bisa langsung dipanen. Nu kaopat nyaeta sorawung. Sorawung teh tereh pisan dibudidayakeun nana. Dua bulan ge geus bisa dialaan pucukna jang dijadikeun lalab atawa pendamping pasakan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4665", "text": "Teknologi bakal tuluy berkembang moal aya ereuna, mausa bakal terus neangan jaeung ngajieun sesuatu sistem atawa hal anyar anu bisa ngagebrakeun jeung ngubah tatanan dunia siga aanu pernah di lakukeun keue ngajieun sistem internet. Manusa eweh anu puas lamun geus manggihan hiji teknologi pasti bakal neangan jeung ngajieun teknologi anyar anu leuwih alus kusabab dunya terus ngarubah jadi teknologi oge kudu nyesuaikeun. Urang teu bisa cicing jeung jadi panongton hungkul, urang kudu bisa miluan minimal ngarti bisa hirup sasuai jeung ka ayaan jaman anu aya. Lamun ayeuna jaman nungtut urang kudu gancang, kudu kreatif kudu inovatif urang kudu bisa nurutkeun lamun henteu urang katingaleun jeung teu bisa nanaon.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5011", "text": "Resep etong sambel tomat teh teu pati riweuh diturutan nana. Mimiti, beresihan lauk etong, sebitan kulitna terus teukteuk buntutna. Tong hilap kumbah nepi ka beresih. Tos kitu siapkeun areng jang meuleum na. Mun geus jadi ruhay, simpen lauk etong nu geus ditusuk kana luhureun ruhay. Mun geus satengah mateng, baluran make bumbu koneng. Bari nunggun lauk asak, siapkeun sambel goangna. Petikan cengek sapuluh siki, bawang beureum dua siki, tomat dua siki. Rendos bawang beureum jeung cengek, tambahan uyah jeung pecin. Mun geus ancur, tambahkeun keureutan tomat, rendos tong nepi ka ancur. Mun sambel geus siap, lauk geus asak, geura sayogikeun dina nampan. Biasana sambel diwadahan na piring leutik supaya bisa dicocol ku laukna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4254", "text": "Lamun keur liburan di Bali, tangu s teu asing deui kana tarian tradisional ti Pulo Dewata, nyaeta Tari Kecak Kekompakan para penari kalayan nyanyi ngagorowok 'cak kecak keck kecak' dina unggal penampilan nambihan kesan meriah sareng magis tina Tari Kecak sorangan. Can deui penari enampilan anggun penari wanita nu ngahipnotis panongton. Kostum tari keack oge unik jeung alus pisan oge babari di inget. Kain kotak kotak siga catur jadi nambah ka endahan tarian kecak, kain kotak kotak nu ges jadi ciri khas bali. Tari Kecak dipentaskeun ku loba penari tanpa ngalibetkeun musik. Galur sorana ngan ukur asalna tina cingir anu disematkeun dina suku palaku tokoh Ramayana, kitu deui sora 'cak' penari lalaki.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "59", "text": "Oatmeal jadi salah sahiji cemilan nu alus dikonsumsi pas keur diet. Salian aya serat, nutrisina oge bisa ningkatkeun kasehatan jeung ngagancangkeun nurunkeun berat badan. Oatmeal bisa didahar langsung sacara atah atau dimasak heula, oatmeal nu dijieun tina gandung bisa ngadorong nurunkeun berat badan. Ngan ulah make topping nu berlemak jeung amis lamun hayang ngadahar oatmel jang nurunkeun berat badan. Bisa tambahkeun topping nu gede seratna. Lamun resep kana dahareun amis, bisa nambahkeun buah beri, siga raspberry, blueberry, stroberi, jeung blackberry kana mangkok oatmeal. Buah beri mantuan muaskeun kahayang jang ngadahar nu amis jeung kandungan serat di jerona jadi leuwih sehat.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6739", "text": "Di The Great Asia Africa, lima puluh rebu urang tos tiasa murilingan tujuh negara. Tempat anu mulai dibuka deui tanggal 13 Juni 2020 ieu nyuguhkeun duplikat landmark ti negara-negara di Benua Asia-Afrika, di antarana Thailand, Indonesia, Korea Selatan, Jepang, India, jeung negara-negara di Timur Tengah. Salah sahiji ikon anu mirip pisan jeung di negara aslina nyaeta, Fushimi Inari Taisha kuil Shinto anu aya di Kyoto, Jepang. Urang oge tiasa nyobian dahareun khas tiap negara, jeung kenang-kenangan ti tiap negara. Urang oge tiasa diajar budaya, nyobian ngangge acuk tiap negara. Disadiakeun oge mobil kanggo murilingan tempat ieu, upami teu hoyong mapah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4147", "text": "Urang kabehan slaku umat beragama wajib yakin jeung iman ka agama jeung kitab suci keprcayaan amsing- masing. Kudu yakin bahwa agama urang agama paling bener tapi teu menang ngagogoreng agama sejena. Sarua ku kituna agama sejen oge ulah sok ngagogoreng agama urang. Urang hirup babarengan jadi kudu saling ngahargaan perbedaan nu aya. Tetep kudu babarengan, ngahiji, urang kabehan eamng lain dulur sa agama tapi dulur dina sesama kamanusaan. Urang kudu bisa saling bantuan, saling toleransi ku sabab tujuan kabeh agama sarua nyaeta kabaikan kabajikan. Urang ngan perlu fokus ka diri masing masing terus instrospeksi jeung terus berbuat baik ka sakabeh umat manusa.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7960", "text": "Jaman baheula, lolobana imah anu aya di desa dijieun tina awi atawa kai. Kai eta dijadikeun bentuk papan teras dijadikeun kanggo tembok. Matak teu heran lamun bentuk tembokna teh siga garis-garis ka sisi. Salian ti kai papan, bagian tembokna oge dijieun tina awi ipis anu geus dianyam janten aya corakna. Lantena oge biasana tina awi janten haneut. Tapi lantaran tina awi, biasana imah di desa mangrupakeun imah panggung teras di bagian handapna biasana dijadikeun kandang kanggo sasatoan sapertos hayam jeung anjing. Hateup imah di desa oge biasana tina seng hungkul. Tapi ayeuna mah tos seeur oge imah anu diwangun ku batu bata. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2298", "text": "Konghucu boga dua buku utama, nyaéta Kitab Si Shu jeung Kitab Wu Jing anu dibagi jadi sababaraha bagian. Kitab Si Shu anu sumberna langsung ti Nabi Konghucu nepi ka Meng Zi, aya sababaraha bab, nyaéta:\r\nThe Book of Great Teachings atawa naon anu disebut Da Xue / Thai Hak\r\nThe Perfect Middle Book atawa naon nu disebut Zhong Yong / Tiong Yong\r\nKitab Sabda Suci atawa anu disebut Lun Gi/Lun Yu\r\nSarta pamustunganana, Buku Bingcu atawa naon disebut Meng Zi / Bing Cu\r\nKitab Wu Jing, anu asalna tina para Nabi Kuna sareng Raja Suci, diwangun ku:\r\nKitab Puisi atawa nu disebut Shi Jing\r\nKitab Hikayat atawa anu disebut Shu Jing\r\nThe Book of Changes, ogé katelah Yi Jing\r\nKitab Akhlak atawa anu disebut Li Jing\r\nKitab Chun Chiu atawa anu disebut Chun Qiu Jing", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6546", "text": "Mun rek perjalanan lintas kota ti Bandung ka Purwakarta ge ayeuna mah leuwih hemat make kareta api lokal, ngan ngarogoh kocek dalapan rebu rupiah. Mimiti, pesen tiket dina aplikasi KAI Access. Geus kitu, tinggal booking tiket jang saminggu kahareup biasana. Tuluy tinggal datang we ka stasiun. Scan code nu aya dina tiketna, tuluy tungguan kareta dina kursi tunggu. Mun geus aya karetana tinggal naek, bisa ti sakabeh stasiun nu aya di Bandung. Tah perjalanan teh salila dua jam satengah nepi ka stasiun Purwakarta teh. Bisa oge turun di unggal stasiun nu kaliwatan, sasuaikeun we jeung tujuan. Mun geus nepi stasiun nu dituju, tinggal turun we.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "3920", "text": "Alpuket mangrupa pepelakan anu loba pikabitaeun, loba jalma nu resep pisan kana alpuket. Alpuket teh unik bisa dikatégorikeun jadi bungbuahan tap bisa ogé di kategorikeun sayuran. Rasa Alpuket teh hambar eweuh rasaan, ku sabab eta alpukat bisa di asupkeun kana kategori bungbuahan jeung sayuran sakaligus. Gara gara eweuh rasaan atawa hambar alpuket bisa di jieun jadi bungbuahan nu bisa di jus jadi minuman campuran kopi anu raa na amis jeung bisa oge di jieun jadi campuran kana dahareun nu teu eleh enak na jadi bisa di variasikeun ku loba rasa. Bisa dijieun gurih pikeun dahareun campuran saperti sushi atawa bisa ogé dijieun amis salaku buah jeung dipaké salaku cemilan jajanan. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6799", "text": "Jama ayeuna lalajo pelem teu ngan di bioskop hungul, tiasa di tipi atawa dina aplikasi streaming. Aya sababaraha aplikasi anu nyadiakeun pelem-pelem alus jeung anyar kanggo ditonton, sapertos Netflix, Disney+, Viu, WeTV, jeung sajabana. Ngadonlod aplikasi ieu emang gratis, tapi upami hoyong lalajo pelem anu anyar urang kedah mayar atau langganan heula. Pangaosna macem-macem, aya nu tilu puluh nepikeun lima puluh rebu sabulan na. Tapi aya cara ngarah urang tiasa lalajo di aplikasi teu kedah mayar atawa mayar na mirah. Kahiji, urang tiasa nyobaan gratis sabulan, biasana kanggo pamake anyar, urang tinggal ngadaptarkeun email hungkul. Kadua, kanggo siswa atau mahasiswa urang tiasa ngangge paket pelajar anu biasana pangaosna sapuluh rebu langkung mirah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "985", "text": "SAlah sahiji kendala nu cukup umum dipanggihan dina iPhone nyaeta batre nu embung ngeusian daya pas keur di cas. Sakapeung bisa oge iPhone dicas kalakah ngurangan dayana. Tuluy kunaon batre iPhone teu ngeusi pas keur di cas? Masalah iPhone teu bisa dicas kulantaran sababaraha penyebab. Salah sahiji penyebabna siga ngagunakeun casan anu teu asli alias KW. Output daya nu dirilis cas KW teu bisa mastikeun saluyuna jeung kamampuan batre iPhone. Output nu teu luyu bisa ngahambat proses ngeusian daya kana batre iPhone. Salian ti eta, penyebab nu sejenna oge lantaran aya kotoran dina konektor cas jeung port iPhone. Ku ayana kotoran eta, proses ngeusian daya kana batre iPhone bisa kaganggu.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3060", "text": "Kusabab kuring dina widang pamasaran digital. Panginten kuring tiasa nyarankeun dropshipping. Anjeun tiasa ngalakukeun di bumi nyalira, tanpa modal anu ageung. Anjeun ngan ukur kedah maca kasempetan naon anu anjeun tiasa mangpaatkeun. Pasti aya persaingan, sabab seueur jalma ogé ngalakukeun hal anu sami. Meureun anjeun bisa mimitian ku pilari di sabudeureun anjeun mimiti, naon hal anu diperlukeun di lingkungan anjeun, sabudeureun anjeun. Conto: Upami seuseueurna tatangga/babaturan anjeun ibu-ibu ngora, panginten peryogi kabutuhan orok, atanapi kabutuhan ibu-ibu ngora sacara umum, anjeun tiasa ngamimitian milarian dina internét pikeun produk orok ieu, sareng nyobian kasempetan pikeun ngajual deui ka aranjeunna. nu pasti usaha nu sukses kudu lagi jiwa nu wanian jeung teu borangan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5059", "text": "Zaman baheula, samemeh loba transportasi umum jiga ayeuna, becak jadi salah sahiji transportasi umum nu sering dipake ku masyarakat. Becak biasana sok dipake transportasi jarak pendek, da tanaga na nu terbatas nyaeta ku gosehan jalma. Semet loba mobil jeung motor, oge transportasi umum jiga bus, kareta, jeung sajabana, becak jadi jarang diminati sabab kaelehkeun dina segi kakuatan jeung jarak. Tah ayeuna mah becak teh jadi salah sahiji transportasi wisata, contona di Kota Lama Semarang. Di tempat ieu, becak dijadikeun ikon wisata jeung budayana. Kota Lama Semarang disebut oge \"Little Netherland\" sabab gaduh luas sakira tilu puluh lima hektar nu unggal sisina kapisah jeung wilayah lain. Jadi jiga replika kota mandiri. Didieu bangunanna arunik, temana kawalanda-walandaan sadayana. Termasuk becakna oge tos terintegrasi jeung pengelola tempat wisata, janten teu sembarangan. Tah, naek becak didieu kur ngarogoh kocek saratus rebu rupiah, tapi tiasa ngurilingan Kota Lama nu sakitu legana. Saimbang we pengeluaran jeung pamandangan jeung layanan nu ku urang meunang. Tong hilap mun ka Semarang kudu pisan cobian naek becak di Kota Lama. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5401", "text": "Sapuluh kangkah dina ngalaksanakeun upacara ngaben. Kahiji nyaeta ngulapin, langkah mimiti sasaorang manggil roh Atma atawa ro nu tos pupus. Nu kadua nyaeta nyiramin atawa ngemandusin. Didieu jenazah dimandian jeung dibere bunga melati di irungna jeungpecahan kaca diluhureun alis. Nu katilu nyaeta ngajum kajang, nulis aksara hindu dina kertas bodas. Nu kaopat nyaeta ngaskara, proses penyucian roh nu tos wafat. Nu kalima nyaeta mameras, wujud kaberhasilan nu wafat dina ngalangsungkeun katurunan. Nu kagenep nyaeta papegatan, sasajen nu tujuanna jang ngikhlaskeun nu wafat. Nu katujuh nyaeta pakiriman ngutang, proses ngirim jenazah ka makam. Nu kadalapan nyaeta ngeseng, proses ngabakar jenazah nu dipimpin ku pendeta. Nu kasalapan nyaeta nganyud, proses ngahanyutkeun abu jenazah ka laut. Nu terakhir nyaeta mangelud atawa mangoras, penyucian imah kulawarga nu wafat tina sagala kasedihan, biasana dilaksanakeun 12 poe beres wafat.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "7418", "text": "Kaulinan The Sims mangrupakeun kaulinan anu ngajadikeun urang tiasa ngahias imah sakumaha kahayang urang. Ti mulai milih tempat nepikeun milih bahan-bahan kanggo ngajieun imah kabehna sakumaha urang, asal urang gaduh artos kanggo meser bahan-bahan eta. Urang oge tiasa ngalakukeun kagiatan sakumaha urang lakukeun sapopoe. Urang tiasa nikah jeung nepikeun boga budak di kaulinan ieu. Anu janten daya tarik ti kaulinan ieu nyaeta tampilanna anu 3 dimensi, janten urang tiasa ngarasakeun pangalamen maen sapertos dina aslina. Matak teu heran kaulinan anu dirilis taun 2000 ieu janten kaulinan anu populer pisan nepi ka ayeuna jeung tos kajual leuwih ti 200 juta di sakabeh dunya. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8692", "text": "Aya hiji wanoja ngarana Maya anu boga hobi tani di kebon tukangeun imahna. Maya resep pisan kana pepelakan, sareng anjeunna sering nyeepkeun waktos di kebon nalika anjeunna henteu damel. Maya dimimitian ku melak sababaraha pepelakan hias sapertos kembang sareng kaktus, tapi teras anjeunna resep kana pepelakan sayur sareng buah. Anjeunna maca seueur buku ngeunaan tatanen sareng nyobian melak sababaraha jinis sayuran sareng buah di kebonna. Saban poe, Maya mariksa tatangkalan di kebonna pikeun mastikeun eta cukup cai jeung cahaya panonpoe. Maya ngarasa bagja waktu manehna bisa ngala sayur jeung bungbuahan anu geus dipelakna. Anjeunna bakal ngagunakeun panenna pikeun ngadamel tuangeun anu sehat pikeun kulawargana sareng masihan sesa-sesa ka tatangga sareng rerencangan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7913", "text": "Alokasi dana darurat penting pisan dina manajemen kauangan. Upami urang teu acan ngamimitian ngawangun dana darurat ayeuna, mimitian saenggalna. Dana darurat bakal ngabantosan hirup urang langkung tenang sareng ngajaga stabilitas kauangan urang, khususna nalika aya kaayaan darurat anu teu kaduga dina kahirupan. Tos seeur pisan caritana jalmi anu rugi pedah teu gaduh dana darurat. Utamana dina kaayaan darurat basa kulawargina kedah ka rumah sakit atawa kedah dioperasi anu kedah ngaluarkeun biaya anu gede pisan tapi teu apal kedah minuhan artosna ti mana. Matak urang kedah geura mikiran kaayaan darurat anu teu apal bakal datang iraha supados lamun beunang musibah teu janten musibah dua kali. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1890", "text": "Saha anu henteu resep camilan tiis ieu? karesep upami usum katiga ieu ogé dipikacinta ku barudak boh déwasa. És krim mangrupikeun jajanan salajengna salah sahiji penelitian ti psikolog naeta tiasa ngagambarkeun kapribadian hiji jalma sewang-sewangan ku sabab és krim miboga rupa-rupa rasa, karakter jalma anu resepna ogé béda-béda gumantung kana rasa anu dipikaresepna. Upami anjeun resep tuang és krim strawberry, éta hartosna anjeun mangrupikeun jalma anu satia sareng katutup. Pikeun anjeun anu resep és krim vanili, éta hartosna anjeun gaduh kapribadian ekspresif sareng émosional. Samentara éta pikeun anjeun anu resep és krim coklat, anjeun condong gaduh kapribadian anu dramatis sareng condong gampang katipu. Janten kumaha upami anjeun resep rupa-rupa rasa? mangka hiji jalma condong bisa nyaimbangkeun ieu rupa karakter.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9395", "text": "Kabita ku steak hayam tapi hayang tetep ngahemat? Mending masak steak hayam di dapur sorangan. Ngolah hayam jad steak teu hese jeung bahan-bahanna bisa digaleuh di mana wae. Mimiti, siapkeun bahan-bahanna nyaeta dada hayam fillet nu geus diturihan, mantega, kecap manis, bawang bodas bubuk, kecap asin, jeung minyak wijen. Kadua, bahan-bahan nu tadi dicampurkeun terus dijadikeun saos keur ngungkeb dada hayam. Katilu, panaskeun mantega dina teflon, tuluy pasak dada hayam nu geus dikeueuman ku saos marinasi nu dijieun tadi, tuluy pasak nepika warnana jadi coklat. Terakhir, sajikeun steak hayam dina piring tuluy banjur make saos barbeque atawa dicocol make saos sambel. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2277", "text": "Kajadian ieu terus dirayakeun ku masarakat modern kiwari, sanajan maranehna teu nyaho kana sumanget ibadah paganisme (penyembah berhala) anu jadi kasang tukang kajadian ieu. Aranjeunna brightened up poé kalayan sagala rupa kaulinan, ngarasakeun langit éndah kalawan lampu vibrant tina kembang api jeung kagiatan lianna. Ieu ngabuka kasempetan pikeun kalakuan amoral sareng ngalanggar Syariah sareng pinuh ku kasia-siaan.\r\nLarangan Nyamar Kafir\r\nLarangan anu dimaksud nyaéta ngarayakeun taun anyar anu aranjeunna laksanakeun, ieu sami sareng niru kabiasaan aranjeunna. Nabi shallallahu 'alaihiwasallam ngalarang urang nyonto kabiasaan goréng, kaasup jalma kafir. cenah,\r\n\"Sing saha anu nyonto kabiasaan hiji kaum, maka anjeunna bagian tina eta jalma.\" (Riwayat Abu Dawud)", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2245", "text": "Pangkat walina nyaéta Pamungkas para wali, nyaéta Ghauts Zaman, jeung wali Qutb al-Akwan, nyaéta wali anu ngan bisa dihontal ku sadah anu aya dina unggal 200 taun. Sareng anjeunna mangrupikeun Khalifah Nabi di jamanna. Anjeunna kagungan seueur karomah anu teu tiasa diitung, bahkan dugi ka ayeuna tetep aya. Karama hébatna nyaéta pangkat mulyana. Jeung diantara kaagungan jeung kamulyaan-Na nu loba pisan di antarana nyaéta; sakabéh muridna nu jumlahna rébuan nempatan maqam Qutb. Anjeunna nempatan kamulyaan sabab anjeunna di jalan Rosulullah SAW. sareng para sahabatna, nyaeta Ahlussunnah wal Jama'ah. Kitu kasuksesan Syekh Samman dina ngadidik murid-muridna sacara rohani nepi ka rebuanana nempatan maqam Qutb, malihan Kangjeng Nabi Muhammad saw sareng santri-santrina, nyaeta para sahabatna, tangtos tingkat kawalianna kacida ageungna, sabab kagungan kaistimewaan. ngiringan kakasih-Na (Muhammad Saw.), sareng naon-naon anu janten Nubuwat Rasulullah SAW.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6790", "text": "Papasakan sabenerna mangrupakeun kagiatan anu pikaresepeun lamun aya bahan-bahan masak na, tapi hanjakal bahan-bahan masak teh teu sadayana sadia di kulkas jeung biasana pangaos na teu mirah. Komo lamun bade masak pasakan ala luar negeri. Lamun nuju teu pakpikpek di bumi, abdi sok masak nganggo bahan-bahan naon wae anu pasti aya di kulas, sapertos endog jeung tahu. Tapi aya hiji bahan anu kudu aya di dapur lantaran tiasa didamel rupi-rupi dahareun, nyaeta tipung aci. Abdi biasana sok ngadamel cimol, cilok, cireng, jeung sajabana lantaran ngan hiji bahan jeung gampang pisan ngadamel na. Sanajan abdi oge sering gagal ngadamel dahareun, tapi abdi teu kapok diajar masak.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8077", "text": "Arif pagaweanna salila diimah ngan maen gim hungkul sareng sare. Awakna janten geuringan tur leuleus eweuh tanagaan. Saatos lalajo video olahraga di Youtube, Arif kamotivasi pikeun olahraga. Arif mulai nyieun rencana kagiatan olahraga. Isuk-isuk hudang sare Arif langsung peregangan tur jogging salila tilu puluh menit. Balik jogging langsung bebersih tur gagawe diimah. Sonten dilanjut ka olahraga berat, sapertos, push up, pull up, plank, jeung sajabana. Arif rutin ngalakukeun perkawis eta salila dua bulan satengah, ditambih oge pola dahar na digentos janten kadaharan sihat. Perubahaanna ka tempo pisan di awak Arif, manehna janten katempo leuwih seger sareng kaeusi ku otot. Manehna tara ngarasa leueleus deui tur tara geuringan. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "98", "text": "Teu ngan saukur ngeunah hungkul, seafood oge boga kandungan gizi nu alus jang kasehatan. Siga nyehatkeun jantung, soalna seafood loba ngandung omega-3. Tuluy alus jang kasehatan tulang jeung sendi, salian ti nyehatkeun jantung, alus oge jang ngajaga kasehatan tulang jeung sendi. Tuluy ngajaga kasehatan mata, mata bisa tetep sehat jeung caang. Tuluy bisa oge ngajaka kasehatan kulit, nyegah keriput, nepika ngomean karusakan kulit. Oge nguatkeun sistem kekebalan awak. Tuluy ngajaga kasehatan mental, sabab seafood loba ngandung omega 3, nu berperan oge nyiptakeun suasana bungah jeung nyegah tina depresi. Terakhir dahar seafood oge bisa ningkatkeun kamampuan otak anu gunana bisa ngatur emosi jeung daya inget.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6703", "text": "Udang hirup dina cai. Aya nu hirup di cai laut, aya oge nu cicing na di cai biasa siga di walungan. Aya sababaraha jenis udang laut anu tiasa diemam, nyaeta udang windu, lobster, udang rebon, udang dogol jeung udang peci. Udang tiasa diemam atah atawa dipasak. Udang biasana digoreng janten tempura, nyaeta udang anu dibaluran ku tpiung tarigu teras digoreng garing. Udang oge biasana sok dicampurkeun ka capcai atawa oseng sayur anu biasana aya di restoran Cina. Udang kaasup dahareun anu pangaosna awis. Udang windu seger wae pangaos sakilona nepikeun genep puluh lima rebu. Daging udang biasana leutik lantaran gede ku cangkang na. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "111", "text": "Urang, Ahmad, Agni, jeung Inyo ulin ka Sendang Geulis Kahuripan. Salah sahiji wisata tersembunyi nu aya di Bandung, buktina pas urang opatan kaditu hese manggihna tempatna teh, make google maps oge kalakah nyasar. Saenggeus nanya-nanya ka warga sekitar, kapanggih tah si tempat wisata eta teh. Pas nepi sepi euweuh pengunjung salian ti urang opatan. Tempatna mah masih Asri jeung posisina aya di handap pas markirkeun motor teh, jadi kudu turun heula. Urang opatan samemeh turun, difoto heula dina tulisan tempat wisatana. Geus kitu turun ka handap, tuluy buka baju, teu kuat geus hayang nyoo cai. Pas ngagejebur teh, bener caina meuni herang pisan, nepika katingali dasar caina oge. Caina tiis khas pegunungan. Tapi si tempat caina teh leutik ku opatan oge geus pinuh. Untung weh euweuh pengunjung nu sejen.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3931", "text": "Cumi-cumi nyaéta sakelompok cephalopoda badag atawa jenis moluska anu hirup di laut.Ngaran \"Sephalopoda\" dina basa Yunani hartina \"sirah suku\", hal ieu kusabab sukuna dipisahkeun jadi sababaraha leungeun anu ngurilingan sirah. Sapertos sadaya cephalopoda, cumi-cumi dipisahkeun ku gaduh sirah anu béda. Akson badag tina cumi ieu diaméterna 1 mm. Cumi loba dipaké salaku kadaharan. Cumi-cumi mangrupa salah sahiji sato nu kaasup kana golongan invertebrata (teu boga tulang tonggong). Sacara umum, cumi-cumi biasa ukuranana kira-kira 5,1 cm, tapi aya jenis cumi-cumi Architeuthis princeps atawa cumi-cumi raksasa anu ukuranana leuwih ti 15 m. Cumi-cumi raksasa ieu mindeng kapanggih keur nyeuseuh sapanjang basisir. Cumi- cumi bisa di asakan make sagala bungbu nu enak, matakna loba jelma resepeun ngadahar masakan seafood cumi-cumi. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5092", "text": "Amun aya waktu luang, abdi sok ngadamel camilan kangge di bumi. Abdi sok ngamanfaatkeun bahan nu aya dibumi. Ngadamel camilan na teu kudu seueur reka, nu babari we. Tah biasana abdi ngadamel es stik gorio-rio, ngadamel cimol, pempek, kantos oge ngadamel pizza, jeung sajabana. Tah abdi mah masak kitu teh tujuanna ngarah aya aktivitas, teu cicing teuing. Tuluy bahan nu aya ge tiasa dimangpaatkeun, janteu teu mubadzir. Tah ku kituna baraya, hayu ah urang cobian we ayeuna mah eksperimen dina ngadamel camilan supaya waktu luangna teu sia-sia! Ngadamel camilan na mah sasuaikeun we jeung bahan nu aya di bumi masing-masing. Pami resep mah kreatifna urang we.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6769", "text": "Lamun bade angkat ka Barubereum, sae na mah ngangge mobil atawa motor anu kuat. Urang oge kedah mastikeun heula jalur ka Barubereum aman lantaran basa abdi jeung rerencangan angkat ka ditu jalan na bolong jeung seeur babatuan anu matak nyebabkeun motor mogok jeung panas. Tapi lantaran jalur ka Batu Kuda ngan aya hiji saena mah urang nitipkeun heula motor di handap, aya salah sahiji imah anu tiasa dititipkeun motor, teras urang lanjut mapah ka luhur kanggo kemping. Upami ngangge mobil oge saena mah ngangge mobil offroad anu gaduh roda anu kiat. Teu kenging maksakeun nganggo motor anu tos teu kiat lantaran di tengah jalan ka Barubereum teu aya tukang tambal ban jeung bengkel.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1867", "text": "Waktu éta ulang taun kuring, jadi sobat pang dekeutna kuring neraktir kuring pikeun milih tempat dahar dimana wae kuring hayang. Tungtungna pilihan kuring murag kana réstoran anu ngajual tuangeun Koréa. Kuring mendakan éta tina iklan anu disponsoran IG. Pas ngawartosan ka rerencangan abdi langsung nyarios, \"wah terang restoranna, rerencangan ker heboh tuang didinya,\". Ahirna dahareun kami datang, kuring mesen hiji menu mie kacang hideung atanapi Jajangmyeon, iga sapi, sarta sababaraha panutup. Bentukna ngayakinkeun, sae pisan dipoto. Tapi pas didahar mah asa nyumpah hahaha. Kumaha henteu, asa jadi pegat. Malah Jajangmyeon instan di supermarket raos langkung saé. Hargana ogé henteu murah.kecwa sih naha jjameyong nu diseneng malah teu ngenah didinya", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4539", "text": "Cedera olahraga nyaéta sagala jinis kacilakaaan atawa kagiatan anu teu terduga, cidera timbul, boh salila latihan, olahraga, boh salila patandingan olahraga atawa bisa oge kajadian saenggeus olahragana. Pangaweruh ngeunaan cedera olahraga mangpaat pikeundiajar kumaha cedera olahraga lumangsung, ngubaran / nulungan / ngungkulan (kuratif), ogé tindakan preventif (kuratif). Biasana aya bagian bagian awak anu sering cedera lamun olahraga nyaeta leungeun jeung pagelang, beuheung, jeung suku kahandap utamana mah tuur. Tuur ngagaduhan persentase pangluhurna cedera sabab ngagaduhan fungsi ganda, nyaeta, sajaba ti penggerak, tuur ogé boga fungsi minangka panghalang beurat awak, sahingga naekeun résiko cedera. Sanggeus tuur biasaa anu sering cedera nyaeta bitis, soalna bitis tempat otot lamun orang pemanasan teu bener bitis anu pang sering karasa kaku jeung nyeri.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5045", "text": "Basa aya acara Drawing Babak Kualifikasi Porprov Jabar 2022, abdi nyobian ngendong di Caldera cottage. Didieu lahan na luas pisan, kenca katuhuna aya wahangan. Penginapanna mangrupa cottage nu ayana sakira sapuluh cottage. Sadaya ukuran jeung desain cottage na sami, pagigirhgigir deuih. Tapi, untung na unggal cottage dinamian ku nami sayuran make bahasa Sunda. Abdi ngendong sawengi diditu. Tah poe kaduana, abdi nyobian funrafting di wahangan Citarik. Duh meuni kacida dag dig dug na eta batu wahangan meuni arageung. Tapi teu weleh rame we da bubuhan ngaleut. Tah tos beres funrafting, abdi langsung uih deui beberes barang di cottage. Sorena, beres acara abdi langsung uih we ka Bandung.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "6619", "text": "Salah sahiji cara supados arurang bisa nyobian jajanan di luar tapi tetep sehat nyaeta ngadamel jajanan nyalira di bumi. Aya seeur jajanan anu gampil ngadamelna, bahan-bahan na oge ngan sakedik, nyaeta cimol. Cukup siapkeun tipung aci, cai, bawang daun, jeung uyah. Kahiji, urang campurkeun heula tipung aci jeung uyah, upami bade ditambihan micin sareng lada oge mangga. Teras campurkeun oge bawang daun anu tos diptotong. Kadua, tinggal naheur cai panas nepikeun ngagolak, teras dicampurkeun kana adonan sakedik-sakedik. Upami tos kacampur sadayana tinggal dibuleud-buleud teras digoreng dina minyak nepikeun beukah. Urang oge tiasa nambihan samara keju, asin, jeung lada supados langkung raos. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "6631", "text": "Virus Covid-19 nyababkeun seeur restoran tutup lantaran jalmi teu meunang kempel di tempat rame. Umumna Covid-19 ieu ngaruh ka pisan perekonomian Indonesia. Menteri Keuangan Sri Mulyani nyebutkeun yen di bulan Agustus 2020, perekonomian turun nepika mines genep koma tilu belas persen. Tapi untungna urang tos mulai terbiasa sareng Covid-19. Restoran sareng tukang dagang ayeuna tos mulai ngarintis deui usaha anu sapertos maot salila covid-19. Salah sahiji cara anu tiasa urang lakukaeun kanggo ngabantos mulihkeun perekonomian nyaeta ngabantos para pelaku ekonomi lokal, nyaeta UMKM atawa Usaha Mikro Kecil dan Menengah. Urang kedah leuwih sering meser ka tukang dagang anu usahana teu acan pati gede bati na. Kanyataan na urang leuwih bangga meser dahareun di tempat anu terkenal sapertos Starbucks, KFC, Mekdi padahal sarua wae urang nyumbang artos ka jalmi anu tos beunghar beuki beunghar.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4757", "text": "Lamun ngawangun bisnis atawa berjualan online teh bisa ngahemat biaya pikeun sagala rupa kabutuhan. Ku ngalakukeun jualan online, anjeun henteu kudu mayar nyewa tempat na. Jadi, anjeun ngan ukur kudu ngatur bisnis jualan online. Salaku tambahan, anjeun bisa ngamajukeunana kalayan gampang dina sababaraha platform media sosial sangkan henteu ngabutuhkeun biaya iklan teuing. Iraha wae urang bisa ngajieun iklan aatawa promosi produk julana urang gratis liwat sosial media. Komo ayeuna keur jaman pisan sosial media, kabeh jelema ayeuna pasti boga sosial media. Urang salaku pangusaha anu rek jualan tangtu bisa mangfaatkeun ieu keur tuluy promo barang jualeun urang ameh tereh laku, promo na oge bisa iraha wae kumaha urang da urang anu ngaturna, urang bisa promo loba loba sangkan loba anu tertarik tuluy meuli.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3853", "text": "Lazzato nyaeta salah sahiji restoran friencise cepat saji anu babari di panggihan di sekitar imah utamana di purwakarta. Rasa dahareun na teu jauh beda jeung merek-merek nu ges terkenal di luaran, menu-menu dahareun na ge loba variasi pilihan ti buger nepi ka sangu, ti nu teu lada nepi ka lada pisan. Aya Ayam clbk, Sadazz (Sayap pedas). Ayam Geprek, nepi ka buger jeung rasa ayam original na ge teu jauh beda jeung rasa merek terkenal eta. Ayam Lazzato enak bumbuna nyerep, garing jeung hipu jeung nu paling penting harga na lewih murah dari pada merek-merek sejen, murah tapi teu murahan. Di lazzato harga na mulai ti tujuh rebuan nepi ka dua puluh rebuan hungkul, jeung nu paling penting meli produk lokal keur ngadukung ekonomi indonesia ka hareupna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7407", "text": "Selancar nyaeta salah sahiji jenis olahraga cai anu kaasup olahraga nu bahaya. Selancar dilakukeun ku cara naek ka papan selancar di ombak laut supados tiasa nangtung di luhureun cai laut. Sacara umum, surfing tiasa dilakukeun di pantai kalayan ombak anu badag, tapi tiasa oge dilakukeun di situ atanapi walungan anu gaduh ombak gede. Dumasar kana catetan sajarah, olahraga selancar mimiti muncul di buana Amerika dimimitian ku olahragawan ngaranna Joseph Banks. Lila-lila, selancar janten populer dina awal abad ka-20, utamana di daerah nu pangdeukeutna jeung laut sarta miboga ombak badag, diantarana, Aceh Besar, Pulau Nias, Amerika, Australia, Sumatera Utara, Pantai Lhok Nga.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6801", "text": "Jama ayeuna mah tos seeur cara kanggo lalajo pelem. Aya cara anu legal, aya oge cara anu ilegal. Seeru pisan situs di Google anu nyadikeun pelem anu kedahna ditonton di bioskop, tapi tiasa ditonton gratis dina situs eta. Kalakuan ieu bakal ngarugikeun pihak anu tos ngadamel ieu pilem. Padahal nyieun pelem teh teu gampang, butuh biaya anu seeur, salah sahiji cara supados pihak anu ngadamel pelem tiasa balik modal nyaeta ti jalmi anu meser tiket di bioskop. Bayangkeun lamun pelem na teu laku lantaran loba jalmi anu nonton na di tempat lain, sanes di bioskop pasti bakal ngarugikeun lalakon na oge, sanes prosuser na hungkul.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7089", "text": "Nungtut elmu teh janten kawajiban pikeun muslim, jadi kedahna mah teu aya muslim anu bodo, lantaran kawajiban nungtut elmu teh kedah dilaksanakeun ku unggal jalmi anu nyebut manehna muslim. Janten lamun bade ngalaksanakeun nanaon teh urang muslim mah pasti ningal heula elmu na kumaha. Teu sapertos kawajiban anu sanes sapertos diajar ngeunaan elmu waris, neangan elmu ngeunaan Alloh teh wajib, fardhu 'ain kanggo satiap manusia. Lamun teu neangan elmu ngeunaan Alloh berarti manehna geus ngalakukeun dosa. Nungtut elmu oge jante amalan anu dilakukeun ti pas manusia nuju digegendong keneh nepi keun ka manehna dikubur. Sakitu pentingna nungtut elmu dina Islam.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5349", "text": "Lamun keur ngahemat acis, alangkah leuwih hade mun urang ngalaksanakeun puasa. Salian hemat acis, oge bakal meunang pahala. Puasa teh salah sahiji ibadah anu ringan dilaksanakeun, komo mun sapopoena urang loba aktivitas di luar mah. Puasa sunah tehngadatangkeu rezeki. Pernah kaalaman oge harita keur teu gaduh acis, tuluy we puasa. Pas waktu buka puasa, jol we babaturan mere dahareun jeung inuman nana. Tah eta hikmah na teh, urang kudu yakin kana hal-hal nu dilakukeun ku urang bakal meunang balesan nu hade. Teu kudu riwan, lobakeun ibadah jeung ngadoa supaya leuwih barokah hirup urangna. Tong poho oge ngajalankeun nana kudu sing ikhlas.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6724", "text": "Bandung kashohor ku tempat ngempel barudak ngora na, salah sahiji tempat anu sok jadi tempat anu mulai seeur dijieun di Bandung, nyaeta tempat ngopi. Salah sahiji tempat ngopi anu oke tapi masih keneh jarang didatangan, nyaeta Kalamula Kopitiam anu aya di Jl. Bukit Dago. Tempat kopi ieu gaduh suasana anu haneut siga sanes di tempat kopi, tapi siga di bumi nyalira lantaran bangunan na masih keneh sapertos bangunan taun salapan puluhan, tapi teu jadul, cocok kanggo popotoan. Masih keneh jarang tempat ngopi anu suasana na taun salapan puluh tapi kondisi tempatna beresih jeung teu katingali kusem. Nginum kopi di dieu siga nginum kopi di teun rerencangan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2022", "text": " Lanjut dina cara nonton pilem ti discord nyaeta: Teruskeun milih fitur Livestream sareng ikon monitor komputer. Teras, pilih saluran pikeun lalajo pilem liwat livestream.Dina saluran ieu, anjeun tiasa milih nganggo Google, Mozilla Firefox atanapi aplikasi streaming anu tos dipasang. Saatos milih saluran pilem, klik Live Go. Teras antosan sababaraha detik atanapi menit pikeun nyambungkeun pilem anu sami sareng presentasi ngalangkungan aplikasi konperénsi pidéo. Sanggeus dimimitian, mangga ngarasakeun pilem anu bakal ditingali babarengan. Lamun salah sahiji babaturan anjeun geus Livestreamed pikeun lalajo babarengan, anjeun ngan kudu klik dina pilihan 'Gabung Stream' sarta geura-giru ngarasakeun pilem nu dimimitian pikeun lalajo. Dina fitur Livestream, Anjeun ogé bisa ngobrol jeung panongton séjén. .", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5500", "text": "Saha nu teu kenal ka Kampung Adat Baduy, nya, kampung adat nu ayana di Provinsi Banten. Mun wisata kadieu, tong hilap kedah taat kana sadaya aturan nana. Tokoh Baduy, utamana Baduy Dalam, ngadugikeun tilu larangan mun kunjungan ka Baduy Dalam. Nu kahiji nyaeta ulah ngadokumentasikeun lewat foto atawa video make alat elektronik naon wae. Jadi, mun mulai lebet ka wilayah Baduy Dalam, ulah motret nanaon jeung alat elektronik mun bisa nonaktifkeun kabeh. Nu kadua nyaeta ulah mandi di wahangan na make sabun, sabab bisa ngarusak alam nu jadi sumber kahirupan suku Baduy Dalam. Nu katilu nyaeta kudu ngajaga kalestarian alamna, ulab miceun sampah sambarangan, ulah nuar tatangkalan, jeung sajabana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "9474", "text": "Liburan mangrupikeun salah sahiji kagiatan anu dipikaresep ku seueur jalma. Salian ti ngaleungitkeun kabosenan sareng setres kusabab rutinitas sapopoe, liburan oge tiasa janten kasempetan pikeun nambah pangalaman sareng terang tempat-tempat anyar. Sanajan kitu, teu kabeh liburan sarua nikmatna. Tina seueur pilihan tujuan anu aya, tangtos aya sababaraha liburan anu karasa langkung kaemut teras tibatan anu sanesna. Salah sahiji liburan anu paling kaemut nyaeta taman aqua-terra di Pulo Bali. Taman Aqua-terra nyaeta taman cai anu aya di wewengkon Kuta, Bali. Taman cai ieu ngagaduhan seueur wahana cai anu pikaresepeun, sapertos sosorodotan jeung kolam renang gelombang. Salian ti eta, taman cai ieu oge dilengkepan ku fasilitas anu lengkep, saperti gazebo, tempat makan, jeung jamban. Sajaba ti eta, liburan ka nagara di Eropa oge bisa nyadiakeun pangalaman anu miboga kesan. Nagara-nagara di Eropa gaduh seueur tujuan wisata anu sae pisan sareng pikaresepeun, sapertos Paris sareng Menara Eiffel na, Roma sareng Colosseum, Amsterdam kalayan kanal-kanalna anu endah. Sajaba ti eta, nagara Eropa oge loba museum jeung galeri seni nu bisa dianjangan, jadi pangalaman liburan urang bakal leuwih lengkep. Kasimpulanana, pikeun kuring, liburan anu paling diinget nyaeta liburan anu tiasa masihan pangalaman anu teras kaemut sareng nambahan pangaweruh. Taman aqua-terra di Pulo Bali sareng nagara-nagara di Eropa mangrupikeun conto tujuan anu tiasa masihan liburan anu nyugemakeun.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8284", "text": "Dina hiji poe, aya saurang pangusaha nu ngaranna David nu ngatur usahana kalawan sumanget jeung dedikasi. Sanajan kitu, sanajan digawe teuas sarta nyoba mindahkeun bisnis na maju, David ngalaman karugian signifikan. Manehna ngarasa putus asa jeung teu nyaho naon anu kudu dipigawe. Tapi, hiji poe David papanggih jeung babaturan heubeul ngaranna Sarah anu oge pangusaha sukses. Saatos David curhat dina kaayaan bisnisna, Sarah masihan sababaraha tip anu mangpaat pikeun ngabantosan anjeunna kaluar tina kaayaan rugi ieu. Kalayan tips anu dipasihkeun ku Sarah, David tungtungna tiasa ngatasi krisis bisnisna. Anjeunna diajar tina kasalahan sareng ngadamel parobihan anu diperyogikeun pikeun ngamajukeun bisnisna. David oge diajar yen penting pikeun gaduh mentor atanapi sobat bisnis anu tiasa masihan nasehat sareng dukungan nalika ngalaman kasusah.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7395", "text": "Pesta Olahraga Asia Tenggara atawa biasa disingget SEA Games nyaeta acara multi-olahraga anu diayakeun unggal dua taun sakali sarta ngalibetkeun 11 nagara Asia Tenggara. Aturan pasanggiri di SEA Games aya dina naungan Federasi Pesta Olahraga Asia Tenggara atawa disebut Southeast Asian Games Federation kalayan pangawasan ti International Olympic Committee (IOC) jeung Asian Olympic Council (OCA). SEA Games kahiji diayakeun di Bangkok ti tanggal 12 nepi ka 17 Desember 1959, diiluan ku leuwih ti 527 atlet jeung panitia ti Thailand, Burma (Myanmar), Malaysia, Vietnam Selatan, Laos jeung Singapura anu milu dina 12 cabang olahraga. Indonesia mulai miliuan SEA Games di taun 1977. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2392", "text": "Jajan atawa jajan lebaran di unggal daérah di Indonésia bisa rupa-rupa. Aya jalma anu resep pisan kana kembang goyang ku kituna jajanan tradisional ieu sok disayogikeun nalika lebaran. Upami anjeun kalebet kulawarga anu resep kembang goyang, cobian resep kembang kocok buah di handap ieu pikeun jajanan lebaran.\r\nKembang Goyang Santan\r\nbahan\r\n100 gram tipung béas\r\n100 gram tipung gandum\r\n50 gram aci jagong\r\n2 endog hayam\r\n50 gram gula\r\n400 ml santan cair\r\n1/2 sdm uyah\r\n1/2 séndok vanili\r\nKumaha carana ngadamel\r\nKabéh bahan dicampurkeun. Lajeng aduk nepi ka rata. Pastikeun teu aya anu gumpalan, OKÉ? Sanggeus éta adonan kudu diantep heula. Ninggalkeun adonan salila kira 20 menit.\r\nSalah sahiji masalah anu sering lumangsung dina prosés nyieun kueh kembang goyang ieu nyaéta adonan anu nempel atawa nempel kana kapang.\r\nSupados teu lengket, kapang kedah dipanaskeun ku minyak. Janten, nalika minyak dipanaskeun dina panci, kapang ogé diselapkeun.\r\nAnggo panas sedeng dina prosés ngagoreng. Celupkeun kapang kana adonan. Lajeng nempatkeun dina minyak panas.\r\nKocok kapang nepi ka adonan leupas. Tumis kueh kembang goyang nepi ka coklat. Angkat jeung solokan.\r\nSanggeus ditiriskeun, kueh kembang goyang kudu disimpen dina wadah kedap udara.\r\nHenteu hese teuing ngadamel kueh kembang goyang anu renyah ieu, leres? Mugia infona mangfaat.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "819", "text": "Olahraga push-up mibogaan mangpaat ku cara gerakan anu sederhana. Push-up bisa ngalatih loba otot sakaligus, boh dina bagian luhur awak atawa bagian handap. Dina bagian luhur, bisa ngalatih otot dada, biseps, triseps, taktak, jeung otot tonggong babarengan. Sedengkeun dina bagian handap, bisa ngalatih otot suku jeung cangkeng. Push-up oge bisa menerkeun postur awak, sabab posisi awak pas push-up kudu lurus jeung tumpuanna kana leungeun jeung suku. Posisi ieu lamun dilakukeun sacara rutin bisa nyieun postur awak jadi ajeg. Gerakan push-up oge dilakukeun ku cara naek-turunkeun awak bagian luhur ku leungeun. Gerakan push-up ieu bisa nguatkeun tulang jeung sendi, khususna dina bagian leungeun jeung suku. Sendi jeung tulang nu kuat bisa nyieun gerak urang sapopoe leuwih bebas.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6689", "text": "Dina sababaraha pasakan, urang biasana ngangge santen supados rasana luewih gurih. Urang tiasa meser santen anu tos jadi atawa ngadamel santen nyalira, biasana ngadamel santen nyalira langkung mirah tibatan meser santen jadi. Ngadamel santen di bumi teu pati hese, nu penting urang gaduh parudan kalapa. Parudan biasana didamel ti besi anu teu gampang karatan, di bagian sisi na aya kai kanggo cepengan na. Tinggal parud daging kalapa make parudan nepika janten bubuk, teras urang campurkeun kalapa jeung cai, dogalokeun teras dipereud nepika sari pati kalapa na kaluar. Santen anu didamel ti kalapa langsung biasana leuwih kaluar seugitna jeung leuwih gampang kacampur jeung pasakan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7411", "text": "Terjun Payung nyaeta kagiatan luncat tina pesawat ngagunakeun payung sangkan urang tiasa ngapung di langit. Olahraga ieu kaasup olahraga bahaya anu edah dilakukeun ku profesional nganggo alat-alat anu aman. Saha wae anu bade ngalakukeun ieu kedah siap heula mental jeung fisikna, lantaran manehna bakal luncat ti pesawat leutik make parasut anu aya dina tonggongna. Parasut ieu bakal langsung kabuka lamun aya angin badag. Awalna mah kagiatan ieu teh mangrupakeun salah sahiji kagiatan anu dilakukeun janten operasi militer. Tapi mulai taun 1950, terjun payung janten salah sahiji cabang olahraga anu tos diaku di dunya. Sababaraha alat anu kedah dipake nyaeta, helem, kaca panon, jumpsuit, jeung harnes. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8823", "text": "Unggal poe Jumaah di sakola kuring aya jadwal ekstrakurikuler anu kudu diturutan ku sakumna murid. Kuring ngiringan eskul badminton. Unggal minggu urang bakal miluan latihan jasmani sangkan awak urang teu gering lamun maen badminton. Kuring boga salah sahiji raket favorit kuring, tapi hanjakalna raket abdi teh geus goréng, sababaraha benangna geus pegat. Jadi unggal aya jadwal pertandingan, kuring sok nginjeum raket babaturan. Kueing oge ayeuna nuju nyimpen artos supados tiasa ngagaleuh raket nu énggal. Sanajan kitu, kuring tetep resep kana kelas badminton sarta moal eureun maén badminton. Kuring ogé bakal rajin nabung supados tiasa ngagaleuh raket énggal anu langkung saé.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "491", "text": "Madrasah teh nyaeta tempat diajar ngeunaan elmu agama, lamun di masigit mah fokus kana sholat, tapi di madrasah mah bisa dipake sagala hal contona ngaji atawa tempat kumpul musyawarah. Di jero madrasah geus disadiakeun papan tulis jeung kapurna, tuluy disadiakeun oge bangu-bangku jang narulis. Lamun di madrasah mah leuwih nyantai, urang bisa ngopi sabari ngaroko. Tapi teu kabeh pasantren boga madrasah, sakapeung mah pasantren anu di kampung-kampung sok ngahiji jeung masigit. Beda jeung pasantren nu ku urang pernah tempatan, posisi madrasah teu jauh ti masigit oge teu jauh jeung kobong ngarah ngababarikeun mobilisasi santri-santri. Bentukna oge teu sagede masigit, sabab lamun di madrasah mah tara loba nu asup jeung bisa gantian waktuna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5805", "text": "Poe ayeuna teh abdi bade nonton pertandingan renang perairan terbuka di pantai Pangandaran. Abdi ngahaja indit isuk pisan supaya bisa nonton ti kadeukeutan. Abdi resep pisan ningali pesertana nu katingali harebat pisan. Renangna ti laut nepi ka lumpat ka pantai ku jarak tertentu. Resep pisan ninggalina ge, tapi mun nyobian mah da moal tiasa. Sakapeung mah ningalina asa ku carape sabab eungap renang tuluy langsung lumpat di darat. Bener-bener butuh perjuangan pisan dina naklukeun nana. Beres pertandingan teh sore, abdi nembe uih we mun tos beres mah. Teu hilap abdi mideokeun unggal peserta jang kenang-kenangan, oge mideokeun anu naek podium.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "6690", "text": "Upami masak gorengan biasana urang butuh tempat kango niriskeun minyak, lamun gorengan anu nembe pisan digoreng langsung disimpen dina piring pasti baka minyakan pisan, tapi untungna tos aya nu namina serok. Serok berguna pisan kanggo misahkeun minyak ti gorengan. Serok biasana dijieun ti besi anu anti karat nu bentuk na bolong-bolong leutik tapi aya gagangna. Aya serok anu bahan gagangna dijieun ti kai, aya oge anu gagangna dijieun ti palastik anu dihias rupa-rupa. Tukang kurupuk di pabrik biasana ngangge serok anu badag pisan kanggo ngabulak-balik kurupuk sakalian jeung niriskeun kurupukna. Serok oge tiasa dipake nyaring sesa adonan dina minyak anu biasana hese lamun dicandak make capitan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7151", "text": "Hiji mangsa, di jero hutan Dayang Sumbi nuju ngaput, teras teu kahaja pakakas ngaputna murag. Lantaran hoream nyandak eta pakakas, manehna teras nyarios yen saha wae anu pang nyandakkeun pakakasna, lamun eta lalaki bakal dijadikeun carogena, tapi lamun awewe bakal dijadikeun dulur. Teu disangka-sangka, Si Tumang anu nyandak pakakas ngaput eta. Dayang Sumbi teras nikah sareng Si Tumang, anjing jalu titisan dewa. Teu lila Dayang Sumbi ngalahirkeun budak anu dipasihan ngaran Sangkuriang. Mangtaun-taun geus kajadian, Sangkuriang tumuwuh janten budak lalaki anu kasep tur gagah. Unggal poe manehna moro sasatoan di hutan dibaturan ku Si Tumang, manehna teu apal yen Si Tumang teh bapana sorangan.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8273", "text": "Aya sababaraha pancen pagawe kantor, sapertos ngalaksanakeun sagala pancen jeung pagawean anu geus ditangtukeun ku pingpinan, atasan, atawa ku dirut. Sadaya pancen ieu kedah dilakukeun sabisa-bisa sareng rengse sateuacan deadline. Karyawan kantor kedah gaduh akurasi, taliti, sareng rapih dina damel. Anjeun teu tiasa telat, mulih tepat waktos, sareng ngarengsekeun tugas dumasar kana wates waktos. Sakapeung, loba pagawe poho ngeunaan waktu jeung disiplin. Padahal dimana wae anjeun damel, dua poin ieu penting pisan pikeun dilakukeun sareng kaharti. Karyawan kantor oge kedah ngartos kumaha carana kaluar tina kasulitan. Sakapeung, aya masalah nalika ngalakukeun tugas. Upami anjeun gaduh ieu, maka kamampuan karyawan kantor tiasa dipercaya pisan. Lamun memang anjeun ngarasa teu tiasa ngalakukeun hal eta sorangan, ulah ragu nanya ka rekan tim anjeun pikeun pitulung.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4469", "text": "Urang keur leutik resep kikiciprikan dina cai, mimitina teu ngarti jeung teu bisa ngojay atawa berenang da sieun kalelep. Carita na urang ngajaran ngojang atawa berenang keur leutik basa balik ka lembur didinya urang ulin jeung loba dulur dulur, mimitina mah urang ngome cai heula babasehan di walungan dekeut imah terus urang basa liburan ulin deui ka waterboom nu teu pati jauh ti imah urang piknik sarerea. Di mimitian ku heuheureuan urang nyobaan ngojay tina kolam anu lumayaan jero tuluy di jailan ku dulur jadi weh tikeleuleup, untung na geura tuluy di tulungan. Tapi laina kapok ti keuleuleup urang kalah ka jadi resep jeung deudeuieun hayang di ajar renang, nepi ka ayeuna renang jadi olahraga karesep da teu cape, teu bau kesang jeung resep babaseuhan.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2681", "text": "Mangpaat olahraga ekstrakurikuler di sakola pikeun barudak\nMindeng barudak leuwih resep méakkeun waktu maranéhanana ulin jeung gerak aktip. Tapi, sanggeus asup sakola, suka atawa henteu, jam maén kudu ngurangan. Nanging, éta sanés hartosna aranjeunna henteu tiasa tetep aktip maén sareng réréncangan. Tah, sakola nawiskeun klub olah raga atawa biasa disebut ekstrakurikuler, sangkan barudak masih bisa ngarasakeun waktu maén, kayaning futsal, tari, baskét atawa voli. Naon éta aranjeunna? Ieu mangpaat olahraga ekstrakurikuler di sakola pikeun barudak.\n1. Ningkatkeun aktivitas fisik pikeun barudak\nKagiatan naon anu biasana dilakukeun ku barudak saatos sakola? Maén kaulinan atawa nonton TV nepi ka soré? Sabenerna henteu masalah lamun budak ngalakukeun kagiatan ieu, tapi lamun kabiasaan ieu sering teuing bakal ngajadikeun anjeunna males pindah.\n2. Cageur awak anak\nBarudak anu nuturkeun klub olahraga pasti langkung séhat. Naha? Olahraga ekstrakurikuler ieu tangtosna ngawajibkeun barudak pikeun ilubiung dina ngarojong latihan sacara rutin. Contona, barudak anu miluan klub futsal biasana diwajibkeun ngajalankeun rutin sarta ngalakukeun gerakan stretching, sahenteuna saminggu sakali nurutkeun jadwal sakola.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3954", "text": "Basa malam minggu kamari urang jeung babaturan rek nonton air mancur di taman sri baduga purwakarta. Urang mangkat ti imah saeungges sholat magrib, urang kadinya boncengan naek jeung babaturan urang dua motor. Jalanan nu rek ka taman sri baduga teh ges macet panjang loba jelema nu sarua rek nonton atraksi air mancur na. Tapi babaturan urang nyisi nyisi nyalip mawa motorna jadi urang teu lila teuing macetna. Nepi di tempatna urang hese neangan tempat parkir dimana mana pinuh, seunneus manggihan tempat parkir urang kabehan jarajan heula meuli minum soalna haus pisan, geus minum urang kabehan kakara asup nonton atraksi na. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2673", "text": "Anjeun tiasa nganggo bal anu parantos diuji ku FIFA, PSSI, atanapi lembaga resmi sanés pikeun pertandingan resmi. FIFA nangtukeun standar bal resmi kalayan kuriling bal 68–71 cm, diaméterna 21–22,5 cm sarta beuratna 410–450 gram. Bal baku FIFA nyaéta bal nomer 5. Ukuran bal ieu geus dipaké ku pamaén profésional di sakuliah dunya. Salian bal pikeun pertandingan resmi, aya ogé bal anu lulus tés pikeun dianggo dina prakték. Sanajan kitu, bal latihan biasana boga mumbul inferior, durability, sarta speed spin dibandingkeun bal cocog. Mun anjeun wawuh jeung karakteristik bal latihan, Anjeun bisa kawalahan nalika maén kalawan bal pikeun patandingan resmi. Kusabab ieu, anjeun langkung saé ngagunakeun bal pikeun pertandingan resmi bahkan dina sesi latihan anjeun.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8123", "text": "Mesin cuci hiji tabung leuwih praktis dibandingkeun mesin cuci dua tabung. Saleresna seueur review nu nyebatkeun upami mesin cuci hiji tabung teh leuwih seueur make listrik. Nanging nganggo listrikna saluyu sareng kualitas tur kabersihan acuk nu diseseh. Mesin cuci hiji tabung ge tiasa nyeseh baju leuwih seueur kusabab kapasitasna nu leuwih ageung dibandingkeun mesin cuci dua tabung. Tingkat garing bajuna ge nikakuen 90% kusabab pengeringanna nganggo kecepatan tinggi. Upami nganggo mesin cuci hiji tabung urang teu kudu cape-cape mindahkeun acuk ka tabung nu sejen kusabab kabeh proses ti mimiti nyeseh sareng pengeringan dilakukeun di hiji tabung sakaligus. Mesin cuci hiji tabung cocog oge pikeun jalmi nu teu resep proses nu lila kusabab ieu mesin peryogi waktos nu leuwih singkat.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8056", "text": "Ekstrakurikuler takraw nyaeta kagiatan ekstrakurikuler anu biasana dilaksanakeun di lingkungan sakola atawa universitas pikeun diajar jeung latihan maen takraw. Sepak takraw nyaeta olahraga populer di Asia Tenggara anu dimaenkeun make bal bulu jeung suku, sarupa jeung voli. Dina ekstrakurikuler takraw, murid bakal diajarkeun teknik dasar kaulinan, saperti cara nepak bal, tehnik operan, jeung cara smash. Sajaba ti eta, maranehna oge bakal dilatih dina kaayaan fisik sarta kalincahan sangkan bisa maen optimal sarta ngamekarkeun bakat maranehanana. Ekstrakurikuler takraw biasana dipingpin ku palatih anu geus berpengalaman dina maen takraw, atawa bisa oge diiluan ku siswa anu geus berpengalaman jeung boga kaahlian dina maen takraw.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3985", "text": "Liburan paling berkesan nyaeta liburan atawa jalan jalan di lembur mama di tasik, Tasik sabenern ateu jauh jauh teung ti purwakarta tapi teu nyaho kunaon bisa jarang balik. Sakalina balik pas lebara tapi nya lila sakalian liburan. Urang biasa na liburan ka pasar nya ka pasar rajapolah atawa ka pasar ciawi. resep pisan rasa na ningali karajinan khas tasik saperti anyaman jeung bordiran, aya oge payung jeung kelom geulis. Unggal balik jeung liburan ka tasik selalu berkesan ceuk urang mah, hawa sejuk na ramah jelema na, murah jajanana, jeung endah na pemandangan jadi daya tarik nu selalu di sono keun jeung hayang terus balik balik jeung balik ka tasik.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5", "text": "Lumpia basah salah sahiji dahareun anu khas dipikaresep ku nu ngora nepi ku nu kolot. Kadaharan ieu babari dipanggihan biasana make gerobak. Salah sahiji nu ngajual lumpia nyaeta di ITB. Lumpia ieu posisina persis di deukeut panto gerbang asup ITB. Lumpia ieu teu ngagunakeun tenda tapi ngagunakeun gerobak anu sederhana. Di jero gerobakna aya rupa-rupa bahan lumpia nu geus kasusun rapih. Menu na diantarana make sosis, daging hayam, kornet, jeung nu kumplit, Biasana urang milih anu kumplit lantaran dina saporsi kabeh topping aya. Rasana enak. gurih, lada, aya rasa amisna oge. Kuring resep lamun didaharna langsung keur kaayaan lumpia na masih panas keneh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5085", "text": "Hampir sadaya waktu luang abdi pasti dipake beberes atawa beberesih. Tah, kabeneran kamari teh libur tanggal merah jadi abdi nyeuseuhan sapatu. Usum hujan kieu mah sapatu teh babari pisan ledokna. Janten sabisa mungkin sapatu nu ledok ku abdi disikatan nepi ka beresih. Tos kitu tuluy dipoe na luhureun pager. Bari nungguan sapatu garing, abdi oge sok sasapu jeung ngepel saeusi imah. Mending we ai bareresih mah ningal na ge teu sareugseug teuing. Tah, beres ngagawean sasapu jeung ngepel, abdi sok ngahaja masak nalangan mamah. Itung-itung sakali ewang we, tong mamah wae nu masak. Libur mah bagean mamah istirahat, abdi eun nu beberes jeung masakna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9511", "text": "Hiking mangrupikeun hobi anu dipikaresep ku loba jalma. Salian jadi cara pikeun ngajalajah alam,Hikking oge jadi kagiatan anu alus pikeun ngajaga kasehatan fisik jeung mental. Nalika hiking, urang tiasa ningali pamandangan alam anu endah bari ngalaksanakeun olahraga ringan. Loba jalma oge ngarasakeun adrenalin nalukkeun gunung atawa hiking ngaliwatan jalur anu teu biasa diliwatan. Muka jalur anyar bari neangan pangalaman anu leuwih nantang. Hiking oge bisa janten kagiatan anu nygemakeun lamun dilakukeun bareng kulawarga atawai babaturan. Bari mawa bekel dahareun jeung inuman, urang bisa istirahat di tempat-tempat endah salila perjalanan. Sajaba ti eta, loba jalma ngarasa leuwih seger jeung rileks sanggeus hiking. Janten, upami anjeun milarian hobi anu pikaresepeun sareng nguntungkeun sacara fisik sareng mental, hiking tiasa janten pilihan anu pas pikeun dijadikeun hobi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7369", "text": "Joget tiasa janten pilihan latihan anu pikaresepeun pikeun saha wae anu henteu resep olahraga anu pikaboseneun, sapertos lumpat atanapi angkat beurat. Tambih deui, joget oge boga loba mangpaat anu sarua jiga olahraga sejenna sabab loba bagian awak urang anu digerakkeun salaras jeung musik. Joget atawa dance gaduh sababaraha rupa-rupa jenis, mulai ti ballet, tari beuteung, aerobik, pole dance, salsa, tap dance, modern, latin dance, nepi ka Zumba. Salian ti fungsina kanggo hiburan, joget oge boga rupa-rupa mangpaat anu hade pikeun awak jeung pikiran. Mangpaat joget nyaeta tiasa ningkatkeun memori sareng nyegah urang tina pikun nalika urang beuki lila beuki kolot.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "127", "text": "Salian dipake jang tempat olahraga, Kiara Artha Park oge bisa bari maen sasapedahan, skuteran, naek momobilan, ningali air mancur, atawa menikmati taman anu sejuk. Loba oge stand-stand dahareun, ti dahareun ringan nepi berat aya didieu. Aya sate jando, bakso, pentol, steak ayam, rujak, dimsum, jeung sajabana. Didieu oge aya permainan anak-anak, siga momotoran, mancing lauk, nepi ka ngagambar oge aya. Pokona lengkap pisan. Harga tiket asupna 10 rebu, tapi lamun ukur olahraga hungkul mah haratis. Komo ayeuna mah Halloween Festival nepi tanggal 27 November 2022. Aya wahana Rumah Tengkorak, mayarna 20 rebu Senen-Kamis, lamun Jumat-Sabtu 25 rebu. Buka na ti jam 09.00 nepi ka jam 21.00.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "7092", "text": "Di jaman ayeuna hampir teu aya hal anu kahindar tina riba. Riba nyaeta contona lamun urang nginjeum duit lima rebu tapi mayarna kedah lima rebu lima ratus, anu lima ratus eta anu janten riba. Saha wae ngadahar riba bakalan asup ka naraka. Sabaraha wae nominalna, lamun eta riba maka hukumna tetep haram, sanajan ayeuna seeur anu nawaran cicilan anu bungana ngan nol koma sabaraha persen angger we eta teh haram hukumna. Saprak datangna Islam, praktek riba tos dilarang ku Nabi Muhammad, janten teu aya pihak anu dirugikeun. Praktek riba teh ngan ngajadikeun manusia anu beunghar beuki beunghar, anu miskin beuki miskin.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "115", "text": "Cuanki Asli Bandung anu aja di Jalan Pak Gatot, ieu tempatna rada nyumput. Jadi tempatna teh rumahan kitu, nyumput di jero komplek. Pas kadieu loba pengunjung nu datang. Menu dahareunna oge loba, aya batagor, mie ayam, mie tektek, jeung loba deui. Hargana kajangkau mulai ti Rp 19.000. Cuankina teh homemade. Pas pesen cuanki, bener-bener ngeunah, teksturna teh padet, dibere sambel hungkul oge geus ngeunah. Sabab urang resep mie, urang pesen oge mie tektek, porsina teh loba pisan, rasana ngeunah, hargana oge kajangkau Rp 22.000. Pokona ceuk urang mah didieu suasana na oge nyaman, tempat daharna teh siga garasi nu dibuka kitu. Tapi loba tempelan aksesoris nu dipasang di tembokna. Teu cukup ngan sakali kadieu, mun kadieu deui hayang nyobaan mie yaminna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9444", "text": "Lauk mangrupikeun sumber protein anu sae sareng bergizi. Salian ti eta, lauk oge ngandung asam lemak omega-3 anu penting pisan pikeun kasehatan jantung. Konsumsi lauk sacara teratur tiasa ngirangan resiko panyakit jantung sareng stroke. Sajaba ti eta, lauk oge mangrupakeun sumber zat besi nu alus tur pohara pikeun minuhan kabutuhan awak. Konsumsi lauk oge tiasa ngabantosan ngirangan resiko tina sagala rupa panyakit sapertos diabetes, obesitas sareng gangguan sistem saraf. Lauk oge loba ngandung vitamin D, anu penting pikeun ngajaga tulang sareng huntu sangkan sehat. Ku sabab kitu, penting pisan pikeun urang sadayana pikeun terus ngonsumsi lauk salaku bagian tina diet anu sehat. Ieu henteu ngan ukur ngabantosan jantung sareng tulang urang tetep sehat, tapi oge tiasa ngabantosan urang ngarasa langkung kuat sacara fisik. Janten, tong hilap teras ngonsumsi lauk salaku bagian tina diet sehat sapopoe.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5001", "text": "Ngadamel lalaban di urang sunda mah babari pisan. Urang sunda biasana nuang lalaban atah jeung asak. Tah nu dibahas ayeuna nyaeta ngadamel lalaban atah. Mimiti, siapkeun lalaban atah sapertos terong, leunca, bonteng, buncis, jeung sajabana. Tuluy beresihan heula teukteuka ujung tangkal na. Tos kitu kumbah make cai nepi ka beresih pisan. Tuluy keureutan kana wadahkeun, terong keureut jadi opat, bonteng keureutan miring, buncis piceunan ujungna, leunca piceunan tangkalna. Upai tos kitu kantun ngadamel sambel dadakan nu ngangge jeruk limo. Duh kacida nikmatna ieu lalaban jeung sambel dipake deungeun tuang pas hanaang tengah poe. Tong hilap disayogikeun nana jeung sangu liwet tambah lak asin.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3863", "text": "Opor hayam masakan lebaran di indonesia, teu apal ti iraha opr hayam jadi dahareun wajib nu kudu aya dina tiap lebaran boh lebaran idul fitri atawa lebaran idul adha. Tapi nu pasti opr hayam emang cocok aya di acara acara gede, rasa na siga kari tapi teu nyieun heneg. Opor hayam lain dahareun anu ngan bisa di pangguhan mun hari raya hungkul. Oprr hayam bisa di pangguhan di mana wae bisa di dahar iraha wae, tapi kaayaan na di hari raya emang wajb sih mun eweuh opor rasa na aya nu kurang pasti. Bahan- bahan anu di pake keur nyieun opor hayam oge babari di pendakan jeung harga na ge teu pati mahal.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "842", "text": "Eskul karate mangrupakeun salah sahiji eskul olahraga nu aya di sakolaan. Eskul karate ieu biasana jang ngembangkeun hobi atawa minat jeung bakat khususna dina bidang olahraga beladiri. Tujuanna mah nyaeta keur pembinaan prestasi di bidang non akademik sarta keur ngalatih siswa jang mibogaan karakter disiplin oge tanggung waler. Biasana dina eskul karate, siswa diwajibkeun jang ngagunakeun baju khusus keur dipake pas latihan. Baju karate boga ciri khas nyaeta calana warna bodas, jeung baju warna bodas. Baju na mun lalaki mah terbuka katinggali belahan dadana. Tuluy jang nangtukeun siswa geus ditingkatan pemula, menengah, atawa mahir biasana dibedakeunna dina sabuk. Aya sabuk bodas, koneng, hejo, biru, coklat, jeung hideung. Biasana siswa bakal make sabuk bodas heula, nyaeta tingkatan pemula.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5375", "text": "Al-Qur'an nyaeta kitab suci agama Islam nu eusina ajaran hirup jeung ketentuan agama supaya umat Islam mencapai ridho Allah jeung surgana Allah. Salaku umat muslim, Joko gaduh cita-cita hoyong lebet ka surga. Ku kituna, Joko unggal poe sabisa mungkin ngahafalkeun ayat Al-Qur'an supados tiasa janten tahfidz Qur'an nu tartil. Alhamdulillah Joko unggal dinten mampu ngalaksanakeun setor hafalan sasuai target. Lingkungan nu merenah, nyaeta di pesantren tahfidz, ngajadikeun Joko leuwih sumanget dina ngapalkeun ayat Qur'an. Tos wanci tilu bulan Joko akhirna tiasa ngabereskeun hafalan tilu puluh juz kalayan sae. Orang tua Joko bangga pisan kana prestasi Joko nu bisa janten hafidz di usiana nu ngora keneh.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8109", "text": "Windows ayeuna tos ngaluarkeun versi pang anyarna, nyaeta windows 11. Aya dua cara pikeun ngainstall windows 11 atanapi ngaupdate windows nu versi lila. Cara pertama nyaeta liwat windows update langsung ti perangkatna. Mimiti urang buka pengaturan teras pilih 'update & security'. Klik menu windows update tur klik 'check for update'. Upami tos disayogikeun update windows 11, klik 'download and install'. Antosan dugi ka prosesna salse, upami atos tiasa ngarestart perangkat. Upami gagal ngainstall langsung liwat perangkat tiasa oge ngainstall lewat windows 11 instalation assistant. Carana mimiti urang dongkap ka situs web microsoft. Teras download windows 11 instalation assistant. Buka file aplikasina, antosan dugi ka salse. Upami atos tinggal restart perangkatna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "9031", "text": "Kaopat ciri jeung ciri Wirausaha, nyaéta salawasna percaya diri. Salian ti bisa salawasna mikir positip, lamun hayang jadi wirausaha oge urang kudu boga sikep percaya diri. Pastikeun yén bisnis anu anjeun dirikeun sorangan teh tiasa suksés engke. Ieu ogé tiasa ngadukung padamelan anu dilaksanakeun supados anjeun langkung kamotivasi pikeun ngawujudkeun usaha anu suksés anu tiasa lumangsung dina dunya bisnis. Percaya diri kana kamampuan sorangan tapi ulah sombong ogé kalebet kapercayaan diri sareng sumanget juang anu luhur. Kalima, berorientasi kana hasil. Janten pangusaha ogé hartosna anjeun tiasa berorientasi kana unggal hasil anu ku anjeun dipikahoyong. Ieu penting, sabab dina dunya bisnis bakal salawasna aya halangan anu bisa mangaruhan anjeun nyerah. Ieu ogé aya hubunganana sareng kahayang anu kuat pikeun kéngingkeun hasil anu maksimal tina sagala usaha anu dilakukeun.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4938", "text": "Resep masakan nu sok dibagikeun ku Bu Siska dina acara TV jadi panutan ibu-ibu. Loba pisan ibu-ibu nu nurutan pasakan Bu Siska, sabab babari masakna jeung wawuh bahan-bahannna. Kitu deui cara masakna nu babari, teu hese jang diturutan. Masakan nu sok dijieun rata-rata masakan tradisional ti rupa-rupa daerah nu aya di Indonesia. Bumbu atawa bahan na oge babari diteangan, malahan mun di kapung mah tinggal nyabut tina pepelakan di pakarangan imah. Resep Bu Siska kapake pisan komo ku ibu-ibu nu tos rada sepuh mah. Salian ti bahan jeung cara masak na nu babari, penjelasan na nu santai sareng babari di serep oge ngajadikeun masakan nana hobi diturutan atawa dipraktekeun ku ibu-ibu.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7375", "text": "Taufik Hidayat ngamimitian karirna di klub Sangkuriang Graha Sarana (SGS) Elektrik di Bandung, Jawa Barat. Lalaki anu lahir di Bandung, 10 Agustus 1981 ieu meunang genep kali Indonesia Terbuka, nyaeta taun 1999, 2000, 2002, 2003, 2004 jeung 2006. Ditambah deui manehna meunang Piala Thomas (2000, 2002, 2004 jeung 2006), jeung Piala Sudirman (1999, 2001, 2003, jeung 2005). Anjeunna berhasil ngarekam ngaranna salaku pamaen tunggal lalaki kalayan smash panggancangna anu tiasa nepikeun 305 km / jam dina semifinal tina Championship Dunya 2006 di Madrid. Dina bulan Nopember 2012, Taufik ngawangun pusat latihan badminton anu disebut Taufik Hidayat Arena (THA), ayana di Ciracas, Jakarta Timur.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5347", "text": "Abdi pernah ngarasakeun pisan hikmah tina sholat sunah tahajud. Abdi biasa ngalaksanakeun sholat sunah tahajud unggal peuting jam satu atawa jam dua an. Abdi sholat sunah tahajud salian kangge ngadeketkeun diri, oge sabab hoyong lebet ka kapus impian abdi. Hapir unggal peuting abdi tara tinggaleun sholat sunah tahajud. Samemeh sholat sunah tahajud teh sok ngalaksanakeun heula sholat taubat. Beres eta nembe sholat tahajud. Terus abdi ngadoa sing khusyuk ka Gusti Allah SWT supados dilancarkeun dina proses masuk kampus impian abdi. Mun nuju sholat sunah tahajud teh hawana sok seger, syahdu teu aya sora nanaon, kur aya sora sasatoan peuting hungkul. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "6489", "text": "Lima hal nu kudu dilakukeun dina ngajaga hubungan baik jeung tatangga. Nu kahiji nyeta silih hargaan. Mun jeung tatangga teh kudu silih hargaan jeung silih hormatan supaya ngajaga kaakuran. Nu kadua nyaeta silih sapa jeung silih tanya. Mun keur aya tatangga teh ulah kumaki, kusu silih sapa jeung silih tanya, ulah nepi ka jiga musuh jeung ttatangga teh. Nu katilu nyaeta sering silih tulungan dina sagala hal. Mun tatangga butuheun bantuan, kudu inisiatif nawaran bantuan, ulah nepikeun ka hare-hare wae. Nu kaopat nyaeta tunjukeun sikap sopan, ulah asa aing wae. Nu kalima nyaeta mun diundang dina acaara tatangga, usahakeun datang sebagai bentuk ngahargaan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "904", "text": "Genshin Impact salah sahiji game favorit urang. Ti mimiti di rilis nyaeta taun 2019 urang geus maen, mun diitung-itung mah ayeuna geus 2 taun. Lain tanpa sebab urang maen game ieu salila eta teh, lantaran game ieu nyieun kacanduan pisan, boh dina karakter nu ditampilkeun, cara gelutna, atawa event-event nu disadiakeun tiap patchna. Teu ngan saukur kitu, musik jeung alur ceritana oge alus, jadi puguh arah maen game ieu akhirna kamana ari aya jalan carita mah. Sanajan game santai, tapi urang cukup ka tangtang ku ngalawan tiap musuhna. Dina sakitu loba kaleuwihanna, game ieu mibogaan kakurangan nyaeta teu bisa maen ngalawan batur, lawanna ngan komputer, jadi asa rada monoton.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7955", "text": "Di desa aya seeur pisan tatangkalan hejo anu jararangkung. Walungan oge seeur pisan, matak teu heran lamun seeur jalmi anu mangpaatkeun awi kanggo bahan bakar anu dipake masak. Walungan oge biasa dianggo jang mandi jeung ngising. Padahal sabenerna urang teu meunang miceun ngising dina walungan lantaran tiasa janten sumber panyakit. Komo lamun sumber cai anu dianggo kanggo nginum jeung masak oge sarua ti walungan, teu kabayang kumaha kotorna eta cai anu dipake sasarengan ku nu miceun kokotor jeung nu masak jeung nyeseuh atawa ngumbah. Walungan mangrupakeun tempatna cai anu ngalir, janten lamun dina hulu aya nu ngising, pasti bakalan nepi ka hilir, janten supados teu ngarugikeun anu sanes saena mah ngising di jamban. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6500", "text": "Andini teh tos babarengan jeung Rirti ti basa SD keneh. Ti leutik teh emang geus salembur, ngan leutik keneh mah jadi teu akrab, ngan wawuh hungkul. Tah basa SD we sakelas jeung Riri, jadi we babaturan deukeut. Nepi ka kuliah ge sakolana sarua wae, babarengan wae, meuni geus jiga budak kembar pisan mun ka mana-mana teh. Mun hayang nanaon ge sok meulina teh dua, hiji ewang. Hiji poe, harita Andini nyobian tes beasiswa, tapi teu lolos. Tah pas Riri miluan tes, eh hasilna teh dinyatakeun lolos. Andini tidinya ngarasa nyeuri hate pisan ka Riri sabab mikiran naha nasibna teu saalus Riri padahal ti leutik nanaonna babarengan wae. Tapi Andini mikiran deui, kuduna miluan atoh Riri lolos beasiswa teh sabab babaturan deukeut manehna oge kan.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "8854", "text": "Di sagigireun bahayana HP kana kasehatan, saestuna loba pisan manfaat HP pikeun kahirupan urang teh. Hp bisa loba manfaatna pikeun kahirupan urang lamun digunakeun kalayan bijaksana, henteu kaleuleuwihi. Ku ayana HP urang bisa kalayan gampang mesen dahareun tanpa kudu kaluar. Urang ogé tiasa muka kasempetan bisnis online dina telepon sélulér, sabab ayeuna seueur pisan kagiatan jual beli anu tiasa dilakukeun tina ponsel. Urang ogé bisa ngahasilkeun rupa-rupa karya tina handphone, kiwari geus loba aplikasi edit gambar jeung video nu bisa dipigawé dina handphone. Ku kituna hayu urang sing bijaksana dina ngagunakeun HP, ngagunakeun HP luyu jeung fungsina. Tong nyalahgunakeun, tong loba teuing make hp, sabab anu kaleuleuwihi teh teu hade.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "156", "text": "Camping ka Gunung Putri harita opatan, ngan si Sutra hungkul nu geus biasa camping jadi bisa nyieun tenda. Jadi urang harita ngabantuan masang tenda anu ajeg. Kahiji, lebarkeun terpal di luhur taneuh ngameh taneuh nu lembab moal rembes asup kana tenda. Tuluy sambungkeun tiap rangka tenda. Lamun geus kasambung, tingaal neangan tempat anu dirasa ngeunaheun. Tinggal tancleubkeun kana taneuh si rangka na teh, atawa ujungna bisa dipake pin ngameh kuat. Terakhir pasangkeun pasak ngameh tenda nangtung ajeg. Ulah poho mawa peralatan cadangan, soalna sieung leungit komo pin mah tara katinggali da bentukna leutik. Jeung mun masang tenda usahakeun deukeut jeung tatangkalan, salian meh babari nalian oge jadi iuh teu kapanasan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "950", "text": "Kamera DSLR (Digital Single Lens Reflex) mangrupakeun salah sahiji jenis kamera nu populer pisan di kalangan nu mikacinta fotografi. Jenis kamera ieu kaasup kamera digital nu paling dipikaresep fotografer sabab kualitasna anu alus. Kamera ieu bisa ngahasilkeun gambar nu jelas. Salian eta, lensa kamera ieu bisa digunta-ganti kumaha kabutuhan jeung kahayang sorangan. Kamera DSLR ngandelkeun pentaprisma jeung mechanical mirror system pas keur neruskeun cahaya tina lensa ka optical view finder. Kamera DSLR oge babari di upgrade aksesorisna. Jadina bisa nambahkeun perangkat anyar. Sanajan geus mangtaun-taun dipake, kamera ieu bisa diubah kana versi anu leuwih anyar. Jadi ulah heran jenis kamera ieu paling laku di pasaran.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8007", "text": "Hayam geprek teh nyaeta kadaharan primadona mahasiswa. Kadaharan ieu simpel tur mirah dibandingkeun sareng kadaharan nu sejen. Sapaket hayam geprek teh eusina hayam, sangu, lalapan, sareng sambel. Hayam nu disayogikeun biasana hayam goreng tepung nu tos digeprek janten dagingna marisah, gampil upami didahar. Hayam na nu gurih cocog pisan didahar sareng sambel nu lada, biasana mah sambel bawang atawa sambel tomat. Komo mun daharna sareng lalapan siga bonteng atawa suraung, nambihan cita rasa sareng kasegeran kana kadaharan. Sangu nu disayogikeun panas-panas tiasa ngeusian beuteung nika wareug, nanging tong poho oge nginumna es teh manis keur nyegerkeun waos saatos kuliah berjam-jam.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3578", "text": "Kuring geus babaturan keur 3 taun bari di kuliah jeung guy a, kahiji kalina kuring papanggih kuring terang yen sooner atanapi engké urang bakal duanana ngarti silih tanpa kudu ganggu ku kode, sarta beungkeut bisa ngaleuwihan jalma anu geus dina hubungan leuwih. ti babaturan. Kusabab tanpa sadar naon anu kuring pikahoyong, sateuacan kuring nanya anjeunna parantos ngartos naon anu kuring pikahoyong sareng sabalikna. Tapi, alur caritana henteu segampang anu dibayangkeun sabab kami henteu acan gaduh ending anu jelas. Abdi parantos 3 taun sareng anjeunna, sadayana dimimitian ku urang gaduh kabiasaan silih caritakeun, naon waé. sanggeus urang boga pasangan silih urang hubungan urang rada jauh", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7414", "text": "Ti taun 2000-an tos seeur rupi-rupi kaulinan dina komputer anu tiasa dimaenkeun cukup ku masang eta kaulinan dina komputer. Teu kedah ngagunakeun internet jeung teu kedah meser parabot kanggo masang game. Salah sahiji kaulinan paporit kuring basa leutik nyaeta kaulinan Zuma Deluxe. Kaulinan ieu gampil dimaenkeun, komo lamun mineng maenkeun na, pasti bakalan jago. Kaulinan ieu dimaenkeun ku nembakkeun bola anu gaduh warna anu sami supados bolana leungit nepikeun beak, pokona mah tong nepi bolana asup kana baham bangkong. Salah sahiji anu janten daya tarik kaulinan ieu oge nyaeta sorana. Lamun urang tiasa nembakkeun bola nepikeun leungit bakal aya sora anu ngajadikeun urang sumanget kanggo meunangkeun kaulinan ieu. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7454", "text": "Mesin cuci mangrupikeun salah sahiji barang rumah tangga anu paling umum dianggo di lolobana rumah tangga di jaman ayeuna. Pamanggihan mesin cuci asalna tina kabutuhan manusa pikeun nyeseuh acukna. DI jaman baheula, nyeseuh acuk teh kaasup pagawean anu matak cape pisan. Ibu-ibu biasana nyeseuh acuk di kali ku lengeun jeung batu. Biasana acuk anu diseuseuh oge ditambihan pasir supados beresih. Saatos diseuseuh, biasana baju dipereut sateuacan dikepruk make awi supados teu aya cai anu ngeclak pas dipoe. Sateuacan mesin cuci diciptakeun, seeur jalmi anu ngalakukeun eksperimen kanggo ngadamel mesin cuci. Eksperimen eta tos mulai dicobian ti abad salapan belas keneh. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2743", "text": "Dina game Shogun Total war 2, kamampuan komputer pikeun nyerang anjeun memang langkung saé tibatan séri game Total War sateuacana, khususna dirojong ku grafik Nvidia GTX 1500. Tapi, urang masih mendakan musuh anu tiasa dipikagaduh ninggalkeun posisi alus aranjeunna geus nempatan. Contona, hiji unit crossbow nu geus nempatan hiji pasir bisa mamingan ninggalkeun posisi na kalawan unit kavaleri! Aranjeunna bakal ngudag unit kavaleri sareng upami pamanah jauh teuing ti unit utama, anu kedah urang laksanakeun nyaéta mesen unit kuda anu gerak gancang pikeun ngajalankeun ka arah pamanah. Panah anu ditembakkeun tiasa gampang dihindari ku pasukan kavaleri sareng unit panah anu lemah pisan nalika nyanghareupan unit melee. Hasilna? Pangperangan nu ngabantai!!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8868", "text": "Geus sabaraha poe ieu mesin cuci nu aya di imah kuring rusak teu bisa dipake. Turug-turug geus ampir saminggu hujan ngecrek wae. Atuh kabayang numpukna seuseuhan jeung popoean. Nu tadina nyeuseuh teh bisa kilat tur enteng, kapaksa ayeuna mah kudu rada ngaluarkeun tanaga ekstra. Rek nyervis, can aya biaya pikeun nyervisna. Sedihna mah nataku ngalaman kaayaan jiga kieu, mangkaning barudak keur meumeujeuhna resep gunta ganti baju. Tapi da kumaha deui iwal ti pasrah narima kaayaan kieu. Sajaba ti pasrah, kuring kudu gede harepan yen di satukangeun cocoba nu karandapan ku kuring alatan rusakna mesin cuci aya hikmah jeung pelajaran nu bisa di teuleuman.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4598", "text": "Saeuacan televisi jadi populer, siaran radio komérsial kaasup drama, komedi, rupa-rupa program sareng hiburan sejena jadi program hiburan teu ukur warta jeung musik. Radio AM berpungsi dina prinsip modulasi gelombang radio sareng gelombang audio. Kadua gelombang ieu gaduh amplitudo konstan. Tapi, prosés modulasi ieu tuluy ngarobah amplitudo gelombang konduktor (radio) nurutkeun amplitudo gelombang audio. Radio AM mimiti janten umum, Armstrong merhatikeun masalah nalika radio sanés ngirimkeun nganggo kakuatan sinyal anu sami. Dina waktos éta gelombang audio dipancarkeun sareng gelombang radio nganggo modulasi amplitudo (AM). Modulasi ieu rentan pisan ka gangguan cuaca. Dina ahir taun 1920-an Armstrong mimiti nyoba ngagunakeun modulasi dimana amplitudo gelombang konduktor (radio) dijaga konstan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1939", "text": "Basisir wétan pangandaran kawentar ku sunrise sarta tempat kuliner lengkep, Jeung Mangrupakeun, pantai pangalusna di jawa barat. Wisatawan ogé bisa ngarasakeun rupa-rupa olahan kadaharan ti laut kalawan rupa-rupa ménu anu dijieun pikeun pesenan sarta hargana nu mirah meriah. Disagigireun ti éta, rutinitas masarakat nelayan anu néangan lauk maké jaring beureum ogé jadi daya tarik husus dina hal kearifan lokal. Arurang ogé bisa meuli lauk langsung ti pamayang anu kualitasna seger. Kagiatan anu bisa dipigawé di Basisir Wétan diantarana: watersport, mancing, iinditan sabudeureun pantai maké motor, sapedah tandem jeung mini trails, atawa ngan diuk sabudeureun ngarasakeun atmosfir panorama Basisir Wétan. Pikeun para wisatawan anu hayang mawa cinderamata jeung oleh-oleh khas Pangandaran pikeun kulawarga di imah, di ieu lokasi ogé aya puseur balanja anu ngajual rupa-rupa pernak-pernik karajinan, baju pantai ogé oleh-oleh khas Pangandaran saperti roti jambal jeung asin. lauk.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "8122", "text": "Mesin cuci Twin Tube Power Storm and Air Turbo dilengkepkeun sareng opsi Magic Mixer. Opsi Magic Mixer ieu tiasa nyampurkeun detergen leuwih hade ngaminimalkeun detergen nambleg dina acuk. Upami masalah kabersihan mah tong ditaros deui. Acuk nu diseseh make ieu mesin cuci tangtos bersih kusabab mesin ieu dipasangkeun penyaringan Two Way Lint Filter.Sagala kokotor pasti kasaring ku ieu saringan tur moal numbat drainase kusabab filter dua arah tiasa nangkep serat, bulu hiris, sareng partikel-partikel sejen. Teu kudu hariwang mesin karatan kusabab ieu mesin cuci berbahan plastik polipropilen janten awet tur tahan karat. Tahan oge suhu sareng kelembaban tinggi sapertos di Indonesia.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3897", "text": "Profesi tujang masak atawa koki atawa cheff siga ceu ipah teh nyaeta profesi atawa pagawean anu riweh sabenerna. Di gawena panjang da samemeh masak kan kudu nyesuaikeun heula kahayang nu hajat na tuluy nentukeun heula bahan - bahan na, kumaha bungbu na, ngitung heula sabara porsieun, di lanjut ngitung harga tuluy balanja. Saenggeus balanja kakara bisa di mulai pagawean inti na nyaeta masak geus masak oge tapi kudu tetep mastikeun kumaha masakan na kurang apa henteu jeung kudu siap masak deui mun di perlukeun jadi lamun di hajatan teu bisa nikmatkeun acara. Saenggeus acara rengse oge kudu beberes jeung bebersih heula. Pagawean jadi tukang masak di lembur emang kudu gesit dan sagala di cekel ku sorangan, beda jeung ketringan nu ges d atur rapi ti mimiti. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "850", "text": "Tim Nasional Indonesia U-16 lawan Singapura nu akhirna timnas U-16 meunang, skorna telak 9-0. Hasil ieu artina sementara timnas U-16 aya diperingkat nomor 1 grup A, jeung di pertandingan terakhir engke ngalawan Vietnam kudu meunang ngameh bisa dipastikeun lolos ka babak semifinal lantaran di AFF aya 3 grup jeung ngan juara grup ti masing-masing grup nu bakal lolos langsung ka babak knock out jeung ngan aya hiji tim salaku runner up terbaik nu bakal milu lolos, jadi artina di pertandingan terakhir engke para pamaen ti timnas U-16 kudu maen ku cara nu sarua siga maranehna maen di 2 pertandingan mimiti ieu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5483", "text": "Alat musik tradisional di Indonesia aya di unggal daerah, jeung ngabogaan ciri khas masing-masing. Salian aya nu terkenal sabab sering keneh dimaenkeun, aya oge nu hampir punah tapi geus diasupkeun warisan budaya dunia UNESCO jiga angklung, sasando, gamelan, jeung sajabana. Tapi di balik eta, aya oge alat musik tradisional nu hampir punah tapi teu sempet dikenal ku masyarakat luas, misalna tatali, rindik, celempung, taktok trieng, jeung sajabana. At musik ieu teh hakekatna sarua sebagai warisan budaya, tapi tina segi pelestarian na kurang berhasil. Teu loba generasi ayeuna nu apal kana ieu alat musik, komo kana cara ngamaenkeun nana. Ku kituna, penting pisan pelestarian ieu alat musik teh masing dijaga bener-bener supaya bisa ngaminimalisir tina hampir punahna ieu alat musik.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4951", "text": "Kadaharan nu dipikaresep pisan ku kolot zaman baheula nyaeta papais, tapi teu dipikaresep ku buda ngora ayeuna mah. Papais nyaeta kadaharan anu dibulen ku dan ca tuluy diseupan nepi ka hipu. Bahan na nyaeta tarigu, gula bodas, cau, jeung masena. Tarigu, gula bodas jeung masena dicaian, diaduk dugi ka rata tuluy dicampuran cau nu meunang ngabejek-bejek. Geus kitu, eusikeun kana daun cau kira-kira dua sendok, tuluy bulen jiga mulen timbel. Saatos di bulen, jajarkeun dina panci teras pais dugi ka pulen. Papais aya mu amis aya nu asin. Pami nu amis tinggal digulaan, pai nu asin teu kedah digulaan. Cekap ku kitu hungkul cara ngadamelna. Kumaha? babari kan?", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "2278", "text": "Urang salaku umat Islam ulah kajebak ku hal-hal anu ngajodokeun urang kana syirik, ku teu ngalakukeun hal-hal anu bertentangan jeung aqidah jeung syariah. Perayaan Malem Taun Anyar mangrupa ritual kaagamaan nu tangtu, perayaan éta dasarna mangrupa ritual ibadah pikeun panganut agama di Éropa, boh Kristen boh agama séjén.\r\n\r\nSaprak datangna agama Kristen ka Éropa, rupa-rupa budaya pagan (nyembah berhala) asup kana ajaran. Salah sahijina nyaéta perayaan Taun Anyar. Malah jadi hiji unit jeung perayaan Natal.\r\n\r\nBalukarna, hajatan malem taun anyar téh mangrupa hajatan kaagamaan non-muslim. Jadi hukumna haram dilaksanakeun ku umat Islam.\r\n\r\nSanaos aya anu nganggap yén hajatan malem taun gumantung kana niat, sakurang-kurangna saurang muslim anu ngarayakeun datangna taun anyar nyarupaan ibadah masarakat non-muslim.\r\n\r\nMalah nyarupaan anu geus haram, sakumaha sabda Rosululloh SAW, \"Sing saha anu nyonto kana kalakuan hiji kaum (agama anu tangtu), maka manehna teh salah sahijina.\"", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "1187", "text": "Percaya teu percaya tapi ieu nyata, jualan di online sabenerna teu kudu ngabutuhkeun modal anu gede, bahkan teu ngagunakeun modal oge bisa. Urang geus ngarasakeun baheula pas keur kuliah, bahasana mah boboraah boga duit jang modal, jang sapopoe ge hese. Tah mun embung ngaluarkeun modal jang jualan online, urang bisa inisiatif make sistem dropshipper. Sistem ieu teh jadi urang ngajualkeun produk, make alamat nu sarua jeung nu ngajual aslina. Tinggal harga barangna ditaekeun saeutik jeung harga aslina. Harita urang ngadropsip jualan buku. Tapi ari urang mah ngadatangan heula pihak nu ngajual bukuna atawa toko bukuna, ngarah hargana sahenteuna bisa dikurangan di harga anu aslina. Meh perbedaanna oge teu jauh teuing. Tuluy mun ngirimkeun barang ka pelanggan urang, pengirimna ulah make ngaran toko buku, tapi make ngaran toko urang.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8124", "text": "Aya dua jenis mesin cuci nu biasa diical, nyaeta mesin cuci satu tabung sareng dua tabung. Seueur keneh jalma nu bingung kumaha cara kerja mesin hiji tabung. Saleresna gampil pisan cara kerja meisn cuci hiji tabung. Saatos baju aya dijero tabung, cai bakalan ngalir ti bagian laci detergen nika keun minuhan bagian jero sareng bagian luar tabung. Sawaktos tabung tos pinuh, mesin bakalan eren ngalirkeun cai tur mulai muterkeun tabung, asup ka prose nyeseh. Mesin terus muterkeun tabung saluyu sareng nu tos diprogram. Upami tos salse katup cai kabuka teras ngalirkeun aci kotor kaluar ti mesin. Cai bersih asup deui ka tabung pikeun ngabilas acuk teras kaluar deui liwat drainase. Ahiran, tabung muter nikakeun kecepatanna nepi 130 km/jam pikeun ngagaringkeun acuk.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5909", "text": "Salah sahiji teknologi anu ngabantu perihal urusan rumah tangga teh nyaeta kompor listrik. Zaman ayeuna mah, loba muncul kompir listrik sabab dianggap leuwih efisien. Dina skala rumah tangga geus loba nu make kompor tanam berdaya listrik. Malahan mah skala leutik ge aya kompor listrik nu cocok pisan jang budak kostan. Salian kompor listrik, aya oge panci listrik anu dianggap leuwih serbaguna di antara peralatan rumah tangga nu lain. Kompor jeung panci llistrik teh jadi pilihan dina penggunaan perkakas anu efisien jeung leuwih simpel. Pasalna model panci listrik ge kan sok seueur anu make hotplate, jadi teu kudu dicuci jiga panci biasana. Jeung deuih moal gosong jiga panci biasa.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7660", "text": "Jualan online tiasa dilakukeun di mana wae. Boh salaku konsumen boh salaku pangusaha oge urang meunang seeur kauntungan tina jualan online ieu. Tapi sagala hal pasti aya wae kakuranganna. Lamun baheula kagiatan meuli jeung ngajual teh dilakukeun langsung di hiji tempat ku cara konsumen jeung nu dagangna patepang, ayeuna urang teu kedah patepang sareng tukang jualan tos tiasa meser barang. Hal ieu tangtos ngajadikeun urang teu tiasa ningal barangna langsung lantaran barangna oge teu aya di hareupeun urang. Teu jarang oge barang anu ditampilkeun dina poto benten sareng barang anu nepi ka imah. Matak salaku nu dagang jeung konsumen urang kedah ati-ati. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "2004", "text": "Abdi resep pisan diajak ka Gunung Komo Deui Jeung Babaturan. Leuwih resep ka pantai. Naha? Ieu sababna:\nDi Gunung jarang aya sinyal. Ku kituna urang bisa difokuskeun babaturan anu naek jeung urang. Gunung téh tempat nu pangpangna. Naha? Sabab mun urang nongkrong di mall, jeung sajabana, pasti urang moal bisa bener-bener mikanyaho beungeut batur nu sabenerna sabab geus katutupan ku makeup. Tapi di gunung, urang bisa ningali rupa nyata, sok sanajan leuwih awon kusabab kelereng (isin kadang). komo deui di gunung mah bisa ngadeukeutkeun urang ka batur. Janten kuring kantos dipénta pikeun hiking ku batur-batur kuring. Tapi kuring henteu terang anggota anu sanés. Sakali di gunung, urang sadaya jadi deukeut jeung intim. Sanajan geus turun, urang tetep deukeut. Sifat sabenerna hiji bakal muncul. Jalma anu resep ngawadul, bakal ngadu’a nalika naék. Anu manja bakal katingali, anu dewasa bakal katingali. Intina mah sadayana bade katingal hehe.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1982", "text": "Dua léngkah pikeun mesen kapal pesiar\nNu kahiji asalna ka Badan kapal pesiar mangrupakeun, lamun booking pesiar téh pangaweruh invaluable, jasa pribadi tur rojongan aranjeunna nyadiakeun. Ieu hususna penting pikeun cruisers mimitina-waktos anu teu yakin mana tangtu atawa gaya sailing pangalusna pikeun aranjeunna. Agén perjalanan ngadamel logistik sareng detil anu saé, ngatur sadayana ti hotél sateuacan sareng pas pesiar dugi ka larangan diet dina kapal. Tuluy Ngagunakeun Situs Booking Kapal pesiar , Genah mangrupikeun salah sahiji seueur alesan naha ngagunakeun situs booking pesiar mangrupikeun pilihan anu populer. Anjeun tiasa ngalakukeun panalungtikan sorangan jeung néangan poéna, sarta buku di ramatloka garis pesiar atawa ngaliwatan situs booking pesiar pihak-katilu iraha rék. Nalika milarian, pastikeun pikeun ngabandingkeun harga sareng diskon pikeun mastikeun yén anjeun nampi anu paling seueur, naha éta harga panghandapna atanapi tawaran anu pikaresepeun anu kalebet tambahan dina genah anjeun (ieu tiasa kalebet Wi-Fi gratis, tip, réstoran atanapi inuman khusus).", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1142", "text": "Wirausaha geus jadi kabiasaan di kulawarga urang. Ti nini nu ngawarung dituluykeun ku indung, bapak oge kitu boga wirausaha jualan di pasar nyaeta jualan bumbu-bumbu dapur. Ieu nurun oge ka urang jeung adi, mun adi mah wirausahana kana gorengan, sedengkeun urang mah kana konter pulsa. Usaha konter pulsa ieu geus dimimitian pas urang tamat SMA, kabeneran indung aya ruko jualan sembako. Jadi urang milu neundeun konter di sisina. Tapi ku sabab kuliah, konter euweuh nu ngajaga. Tapi henteu eureun usaha mah sanajan kuliah ge, ngan urang tetep jualan pulsa tapi teu make konter. Urang jualan pulsa ti semester hiji keneh nepikeun ka semester opat. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4986", "text": "Blender nyaeta salah sahiji parkakas dapur nu guna na jang ngaancurkeun bumbu. Blender digunakeun na kudu bari dicolokeun kana setrum. Wadah blender aya dua, nu hiji leutik nu hiji deui gede. Nu leutik biasa dipake jang ngablender bumbu garing jiga pedes, pala, kayu manis, jeung sajabana. Lamun wadah nu gede biasana jang ngaaluskeun bumbu baseuh, jiga muncang, cabe, bawang, jeung sajabana. Mesin blender na na ngan hiji, bisa dipake ku dua wadah eta. Dina mesin na aya tombolan jang ngahurungkeun nana. Biasana aya tombol hiji nepi ka tilu, tinggal pencet kacepatan mana nu dibutuhkeun ku urang. Tapi aya oge blender anu teu make tombol, tapi ngahurungkeun nana diputer jiga kipas angin.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "5818", "text": "Game snake xenzia jadi salah sahiji game legendaris nu melekat di masyarakat. Pasalna, game ieu teh identik jeung image hape Nokia. Saking terkenalna hape Nokia zaman baheula, jadi sacara teu langsung ge nyieun ieu game terkenal jeung melekat pisan dina hate masyarakat. Game ieu dimaenkeunna simpel, nuturkeun makanan ular na hungkul. Fitur na ge simpel teu aya variasi nanaon, malahan mah warna na ge hitam putih. Justru eta malahan nu ngajadikeun game ieu legendaris. Ti budak ngora nepi ka kolot ge arapaleun kabeh kana game ieu. Snake xenzia teh saolah jadi pemrakarsa game dina hape di Indonesia nu berkembang nepi ka ayeuna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "1609", "text": "Melak tangkal oge mere dampak anu alus ka batur. Melak tangkal ngajadikeun udara jadi leuwih beresih, lingkungan oge karasa leuwih asri, leuwih seger, leuwih sejuk, jeung leuwih rindang jadina ngahindarkeun batur tina panonpoe langsung. Salian dampak fisik, melak tangkal oge mere dampak positif ka mental batur. Lantaran tutuwuhan bisa mantuan ngurangan stres, ningkatkeun fokus, terapi jang penderita depresi, kecemasan, jeung dimensia. Salian eta oge mantuan pemulihan panyakit saenggeus cedera jeung operasi, ningkatkeun produktivitas jeung oge kreativitas dina rupa-rupa pagawean. Komo deui mun hiji imah teh melak hiji tangkal, tangtuna dampak ieu bisa dirasakeun ku urang sarerea, jeung tempat oge katinggali leuwih sehat.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5320", "text": "Jumaahan nyaeta salah sahiji kagiatan rutin unggal poe jumaah khusus jang kaum muslim lalaki. Jumaahan ieu teh ayana unggal poe jumaah nungaganti sholat dzuhur ku sholat jumah. Biasana kam muslim samemeh jam adzan dzuhur atanapi sajam samemehna teh tos karempel di masjid, kangge persiapan sholat jumah. Rangkaian sholat jumah nyaeta mimiti adzan awal jang manggil jamaah. Tuluy adzan kadua jang nandaan bahwa khotbah rek dimulai. Tuluy tos kitu bakal aya khotbah kahiji. Teu lai disusul ku khotbah kadua. Beres khotbah teh tuluy ngadoa. Mun tos beres sadayana, kantun ngalaksanakeun sholat jumah berjamaah nyaeta dua rokaat. Beres sholat teh bari bubar sok dibagi tuangeun atanapi camilan jang jamaah.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "530", "text": "Asal-usul Situ Bagendit, di hiji desa nu subur di sabeulah kota Garut, aya janda nu beunghar ngaranna Nyi Endit, ku bakat beungharna, manehna bisa ngalakukeun naon wae nu dipikahayangna. Pas musim panen Nyi Endit bakal pinuh ku hasil panen nu melimpah. Ngan aya hiji musim paceklik datang, loba warga nu kalaparan sabab teu meunangkeun penghasilan di musim ieu. Tibalik jeung Nyi Endit nu ngalakukeun pesta bareng kulawarga jeung babaturanna. Pas keur asik pesta, Nyi Endit dibere nyaho yen aya pengemis nu hayang masuk ka acara pesta. Tuluy diusir ku Nyi Endit, tapi teu diduga-duga pengemis eta bisa asup ka buruan imah Nyi Endit. Para pangawalna teu cicing tuluy maranehna neunggeulan pengemis eta. Akhirna pengemis eta nyokot rangrang tina tatangkalan tuluy nanceubkeun kana taneuh, rangrang eta teu bisa dicabut ku Nyi Endit nu akhirna mah dicaut ku pengemis tadi nepikeun kaluar cai nu nyieun hiji desa kakeueum nepikeun dingaranan Situ Bagendit.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4158", "text": "Urang salaku manusia biasa anu loba dosa kudu na ayeuna jadi sering instrospeksi diri ningali diri urang the kumaha fokus ka diri urang tong sok riweh nguruskeun batur, komo lamun ngomongkeun batur di tukang eta ngarana munafik. munafik atawa nu biasa di sebut pura-pura Munafik disebut oge jalma anu omonganana teu saluyu jeung laku lampah atawa kanyataan. Allah SWT teu resep ka jelema anu munafik, Allah SWT ngadawuh dina surat An-Nisa ayat 145 yén jalma-jalma munafik bakal ditempatkeun dina tingkatan naraka nu panghandapna. Jelema munafik nyaeta jelema anu bahaya jelema anu bisa ngaruksak silaturahmi, nagjieun adu domba jeung nu pasti pinyieun nyeri hateun batur.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4110", "text": "Jaman ayeuna nu geus marak internet jeung social media teu ngan ngadatangkeun dampak positif tapi oge negatif, alah sahijina ngagosip, ngaghibah ngomongkeun batur anu biasana di dunia nyata di rumpikeun di tukang sayur ku ibu ibu ayeuna oge bisa di social media, ayeuna keur loba pisan nu kitu. Loba nu asyik ngagibah ngagunjing nu sabenerna teu di kenal ngabeakeun waktu keur hal -hal teu penting padahal dosa ghibah dosa ngagunjing eta gede pisan. Nepi ka di sapertikeun jeung makan bangkai sodara sendiri tapi tetep weh bareuki pisan ngaghibah jeung ngagunjing ngomongkeun batur. Larangan ghibah ogé dijelaskeun dina Al-Qur’an surat Al-Hujurat ayat 12.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9407", "text": "Upami anjeun milarian tempat tuangeun vegetarian anu seger tur nyehatkeun, restoran vegetarian ieu mangrupikeun pilihan anu pas, nyaeta Pago Restaurant. Aranjeunna nawiskeun rupa-rupa menu anu dipinuhan ku kadaharan vegetarian seger sareng bergizi, ti salad dugi ka pasta sareng sandwich sagala aya. Sajaba ti éta, réstoran ieu ogé nyadiakeun pilihan minuman nikmat tur sehat. Palayanan di restoran ieu pisan ramah tur ngabantu pisan pelanggan, jeung atmosfir di restoran pisan nyaman jeung pikaresepeun. Suasanana tenang jeung mewah. Harga anu ditawarkeun oge sesuai sareng suasana restoran jeung rasana nu nikmat. Janten tong ragu nganjang ka restoran vegetarian Pago Restaurant ieu sareng raoskeun sensasi tuangeun anu sehat tapi tetep nikmat!", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "80", "text": "Pas keur SMA, unggal saberes sholat subuh, urang jeung indung indit ka pasar meuli jajanan jang dijualan deui soalna boga warung di imah. Salian ti eta, indung urang oge meuli sayuran jang dijieun rencang sangu. Sayuran nu dibeuli rupa-rupa gumantung rek dipasak naon, tapi mun hayang simpel sok meuli sayur lodeh, sabab bahan-bahanna geus dibungkus sapaket. Eusina geus lengkep, aya waluh, kacang panjang, jagong, tangkil, daun tangkil. Beres balik ti pasar, samemeh mandi rek ka sakola, indung sok masak heula sayur nu geus dibeuli tadi. Sok dihaneutkeun deui si sayur teh pas engke urang geus balik ti sakola, ngameh ngeunah deui.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "89", "text": "Buah kecapi salah sahiji buah nu jarang aya, sabab geus makin hese manggihan buah ieu. Padahal loba mangpaat kasehatan nu bisa dibikeun buah kecapi ieu. Di balik ukuranna nu leutik, buah kecapi mibogaan rupa-rupa kandungan nutrisi nu alus, nepi ka bisa mere loba mangpaat jang kasehatan. Nu kahijina ningkatkeun sistem kekebalan tubuh, sabab kandungan antioksidanna bisa nyegah karusakan sel jeung ngajaga ngameh sel tumbuhna normal, nepi ka nguatkeun imun tubuh. Bisa oge ningkatkeun stamina. Kadua nyegah anemia, anemia mangrupakeun kondisi akibat awak kakurangan sel darah beureum anu sehat. Nah buah kecapi ngandung zat besi, mineral nu penting pisan jang ngabentuk sel darah beureum.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "3537", "text": "Pilih jujur. Taya hubungan bisa lepas lamun dumasar kana palsu. Kalolobaan jalma bakal exaggerate diri nalika dating naha ku raising status sosial, panghasilan atawa putty kosmetik, nu ends up méré kejutan goréng. Nalika kuring pendak sareng salaki ayeuna, panginten anjeunna ngan ukur panaliti biasa sabab anjeunna henteu kantos nyarios dimana anjeunna damel. Ngan sanggeus leuwih akrab jeung manéhna, kuring ngarti posisi manéhna sarta wow, kuring ngarasa manéhna béda ti lalaki séjén.\r\nNéangan nu leuwih teleb. Jalma anu taliti otomatis ogé bakal leuwih considerate. Maranéhna leuwih hadé bisa maca karakter jeung wanda pasanganna sangkan bisa leuwih hadé maca kaayaan sangkan bisa nyingkahan tarung anu balukarna fatal. Berjuang tanpa menyakiti, éta hiji hal anu kudu diajar. Jalma nu teu peka bakal leuwih gampang ngaluarkeun kecap kasar nu tungtungna bakal nimbulkeun dendam. Jalma-jalma anu langkung ati-ati sareng sénsitip ogé langkung gampang diajak ngobrol kusabab aranjeunna henteu ngutamakeun dirina", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5757", "text": "Di sakola abdi mah, ekskul voli teh jadi salah sahiji ekskul kabanggan sabab loba pisan norehkeun prestasi ka sakola. Dugi ka ayeuna, ekskul voli di sakola abdi teh gaduh total anggota saloba tujuh puluh orang, hampir sarua jeung jumlah satengahna tina per angkatan. Ekskul voli teh biasana ngalaksanakeun latihan unggal poe Senen, Rabu, Sabtu jeung Minggu di lapangan voli sakola. Mun poe sakola mah dilaksannakeun latihanna di jam balik sakola. Biasana aya sababaraha anggota voli nu ngiringan janten atlet voli kabupaten nu dipersiapkeun jeung event Porprov. Ngan, loba oge event lain nu biasa diiluan ku ekskul voli sakola abdi, termasuk pertandingan voli tarkam.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2360", "text": "Salian ti alesan nasionalisme, dangdut Melayu mah saluyu jeung budaya jeung sajarah Islam di Nusantara. Kabudayaan Melayu loba dipangaruhan ku kabudayaan impor ti mana imigran Muslim asalna salutu jeung pangabea panghirupan masarakat nayeta padagang. Sebut eta qasida nu dibawa ku padagang Arab (635), Gujarat (900-1200) jeung Persia (1300-1600). Kadieunakeun, para pendatang ti Hadramaut (Yaman) mawa gambus dina taun 1870. Malahan Ahmad Albar dina taun 1930 ngadegkeun orkes gambus di Surabaya anu henteu ngan populér di Indonésia, tapi ogé di Malaysia jeung Singapura. Ayeuna, musik gambus beuki populer deui berkat Khoirunnisa \"Nissa\" sareng grupna, Sabian. nu mangrupakeun salah sahiji nu ngapopulerkeun orkes gambus nu aya di Indonesia.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1913", "text": "Gelas plastik leutik tiasa dianggo pikeun ngadukung bisnis penjualan inuman anjeun. Dibandingkeun sareng produk bungkusan sanés, cangkir plastik seueur dipilih sabab nawiskeun sababaraha kaunggulan. Sakumaha ngaranna nunjukkeun, jenis kaca ieu dijieunna tina plastik. Bungkusan anu hiji ieu biasana dilengkepan ku panutup plastik, supados inuman teu gampang tumpah nalika dianggo. Sanajan kitu, teu saeutik jenis cangkir plastik nu teu dilengkepan tutup di luhur. Aya seueur kauntungan anu tiasa didapet ku ngagunakeun jinis gelas ieu tina plastik. Ieu sahenteuna 4 kaunggulan cangkir plastik anu anjeun tiasa kéngingkeun:\n1. Teu Gampang Pegat\nPamakéan jenis kaca ieu cukup awét. Kanyataanna, sanajan ragrag tina jangkungna, cangkir plastik teu megatkeun. Henteu ngan éta, kaca jenis ieu ogé kuat, ku kituna bisa nahan beban beurat.\n2. Harga Ékonomi\nHarga gelas ieu ramah-saku. Hasilna, anjeun ogé tiasa nyayogikeun dina jumlah anu ageung pikeun bisnis inuman anu anjeun jalankeun tanpa kedah ngaluarkeun artos.\n3. Gampang Mawa\nCangkir plastik leutik cocog janten réréncangan pikeun nongkrong sareng atanapi nalika iinditan. Henteu kedah hariwang sabab gelas jinis ieu gampang dicekel, janten anjeun tiasa nyandak dimana waé.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "924", "text": "Ti mimiti kuliah urang geus ngagunakeun laptop teh, tapi sabab baheula mah teu rada ngarti, jadi pas laptop mulai lemot teh buru-buru diganti laptopna ku nu anyar. Ari ayeuna mah ngarti, sabenerna teu kudu diganti ku nu anyar, sabab aya sebab-sebabna laptop lemot teh, lain ruksak. Nu ku urang apal mah aya sababara penyebab nyaeta RAM laptop urang nu leutik, sedengkeun urang masang loba aplikasi nu beurat, jadi weh laptop teh teu kuateun sabab aplikasi eta bakal otomatis. Terus kapasitas hard disk oge mangaruhan, biasana hard disk mun pinuh nu nyebabkeun kinerja laptop jadi leuwih beurat. Tuluy kade oge ku serangan virus, ieu ge jadi salah sahiji nu nyebabkeun laptop lemot, alusna make make antivirus.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8151", "text": "GoPay janten salah sahiji metode pembayaran non tunai nu seueur dianggo ku masarakat ayeuna. Pikeun ngamudahken pengguna GoTo salaku perusahaan nu ngelola GoPay teh tos nyadiakeun rupa-rupi metode top up saldo GoPay. Aya babaraha cara nu tiasa dianggo pikeun top up GoPay. Kahiji, menta driver gojek pikeun ngatransfer sajumlah saldo ka GoPay urang tur urang mayar tunai ka driverna. Kadua, top up GoPay di minimarket. Babaraha minimarket nu nyayogikeun layanan top up GoPay sapertos Alfamart, Alfamidi, Lawson, Dan+Dan, sareng pegadaian. Katilu, nganggo virtual account. virtual account teh kode transaksi nu dianggo pikeun top up saldo GoPay ka akun urang. Tinggal sain ieu kode ka atm atanapi m-banking teras tranfer sajumlah saldo ka akun GoPay urang.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4582", "text": "Blackberry nyaéta smartphone anu mibanda kamampuhan pikeun push e-mail, telepon, sms, browsing internét, BlackBerry Messenger (BBM), sarta sagala rupa kamampuhan nirkabel lianna. Blackberry mimiti diwanohkeun dina taun 1999 ku perusahaan Kanada, Research In Motion (RIM). Ti saprak éta, produk sareng jasa BlackBerry terus ngarobih cara jutaan jalma di sakumna dunya tetep nyambung. Produk ieu janten populer kusabab fitur push e-mail anu tiasa nampi e-mail anu asup sareng tiasa diteruskeun langsung ka telepon sélulér. E-mail parantos ngalaman prosés komprési sareng scan supaya aman tina virus. Telepon ieu ogé tiasa nampung dugi ka puluhan rébu e-mail tanpa aya résiko ngagantung salami aya mémori anu tinggaleun.Fitur populér séjén nyaéta Blackberry Messenger (BBM). Fitur messenger ieu ampir sarua jeung Yahoo Messenger, tapi ngan ngaliwatan jaringan BlackBerry ku cara nuliskeun nomer idéntitas unik atawa PIN ti unggal ponsel BlackBerry. BBM anu ngajadikeun fitur Blackberry béda ti produk smartphone lianna. Sareng seueur fitur unggulan sanés supados ponsel ieu janten telepon sélulér jutaan jalma.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "178", "text": "Ngebon bisa jadi salah sahiji kagiatan di waktu luang, ngebon dipikaresep ku loba jelema pas awal pandemi Covid-19, nu ngajadikeun unggal jelema kudu barang gawe di imah hungkul. Ngebon oge boga rupa-rupa mangpaat contona jang kasehatan mental. Ngebon bisa ngalatih fokus sabab nyieun konsentrasi kana naon nu dipigawe jeung hayang naon nu dipelak jadi kalayan alus. Bisa oge ngaronjatkeun suasana hate, ngebon bakal nyieun hiji jelema ngusahakeun jang diajar nitenan tiap detail kumaha tutuwuhan bisa ditata ngameh ngeunah ditinggali. Aktivitas ngebon oge nyieun hiji jelema ngobrol jeung nu sejenna, misalna jeung batur atawa komunitas nu sarua resep kagiatan ngebon. Jadina hal ieu bakal nyiptakeun hubungan timbal balik jeung nyambung sacara emosional.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9359", "text": "Hidroponik mangrupikeun metode penanaman pepelakan tanpa ngagunakeun taneuh. Métode tatanén ieu ngagunakeun bantuan cai anu geus dicampurkeun jeung zat gizi minangka media tanam anu bergizi pikeun pepelakan. Metode ieu ngan merlukeun anjeun nyiapkeun botol tilas, sumbu, sarta sekam pikeun prosésna. Anu mimiti, ngabagi botol kana dua bagian sareng ngadamel liang dina beuheung pikeun masang sekam sareng sirkulasi hawa. Balikkeun liang dina botol teras selapkeun sumbu kana liang anu didamel sareng selapkeun luhureun botol anu parantos aya sumbu di handap. Luhureun botol anu geus dibéré sumbu dieusian ku media tanam saperti sekam atawa batu bata sabagé pangrojong akar pepelakan anu rék dipelak. Lebetkeun siki pepelakan anu parantos ditabur sareng siram sareng larutan gizi anu didamel tina campuran cai sareng zat gizi. Kusabab langsung nyambung ka cai sareng sumber gizi, pepelakan anu diproduksi ku pertanian hidroponik langkung saé kualitasna. Tina segi rasa jeung kandungan gizi, pepelakan anu dihasilkeun ku tani hidroponik miboga kualitas anu leuwih unggul dibandingkeun jeung pepelakan anu ngagunakeun media taneuh. Pikeun metode pertanian hidroponik, anjeun tiasa melak seueur pilihan pepelakan hortikultura. Pepelakan hortikultura kalebet sayuran, buah, pepelakan ubar sareng hias.\r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6778", "text": "Sateuacan lulus ti SMA. Abdi sareng rerencangan dipasihan kasempetan kanggo liburan di Vila Gambung anu aya di Ciwidey. Vila na luas pisan, cocok kanggo acara kantor atawa kanggo kempel-kempel sareng kulawargi anu seeuran. Di dieu aya warung anu ngajual sangu jeung sajabana, janten upami urang mondok di dieu teu kedah sesah-sesah masak, tinggal meser di dieu. Tapi di vila oge tos disadiakeun kompor kanggo masak. Aya area lapangan oge anu tiasa dipake kanggo kemping. Di Vila ieu oge aya hiji pabrik anu tos teu dipake deui. Vila ieu cocok kanggo acara kemping sakola lantaran area kanggo ngawangun tenda na badag pisan, tapi tetep aya tempat anu tiasa dipake ngiuhan lamun hujan.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5720", "text": "Boyboyan teh salah sahiji permaenan keur leutik nu mangrupa olahraga lulumpatan nu dilakukeun beregu. Jadi, biasana boyboyan teh sok dipaenkeun ku dua regu nu ditempatkeun na paseberangan. Unggal regu aya batu bata nu kudu dijagaan, ulah nepi ka ditincak ku musuh atawa lawan urang. Jadi, saurang-saurang teh lulumpatan kaluar ti kandang supaya bisa ngudag maehan musuh ku cara di toel Mun geus katoel ku musuh, artina lasut, teu bisa maen deui. Mun geus lasut teh kudu aya nu ngagantian anggota regu nu lainna. Mun aya nu geus bisa nincak batu bata di kandang musuh, berarti regu eta nu meunangna. Biasana mah maenkeunna sok lila, nepi ka leuwih ti sajam.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "2323", "text": "Peuting Natal nyaéta peuting misa saméméh ultahna Yesus, dirayakeun dina tanggal 24 Désémber ku garéja Kristen Kulon. Bagian tina alesan pikeun ngarayakeun Natal Hawa téh alatan poé liturgi tradisional dimimitian dina sundown, nu mangrupakeun relic tradisi Yahudi.Tradisi ieu dumasar kana carita kreasi dina Kitab Kajadian: \"Jeung Allah disebut poé cahaya, jeung gelap peuting. Jeung aya peuting, jeung aya isuk, éta poé kahiji. \"Dina tradisi Ritus Wétan, ieu. poé liturgi manjang ti Panonpoé Tilelep ka Panonpoé Tilelep poé saterusna. Tradisi ngamimitian perayaan Natal wengi sateuacanna tetep aya di gereja Kristen Kulon anu parantos ngarobih awal dinten liturgi ka tengah wengi, contona Garéja Katolik Roma.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4586", "text": "Laptop nyaeta salah sahiji alat anu di perlukeun pisan jaman ayeuna, sagala kalangan husuna nu sakolah keneh butuh pisan laptop paranti ngerjakeun tugas na nepi ka kanu di gawe oge marake laptop. Teu bisa di hindarkeun kamajuan teknologi jeung internet ayeuna berimbas teu ngan kana ponsel handphone tapi oge laptop. Laptop jeung ponselhandphone sabenerna ngabogaan fungsi anu mirip mirip kan laptop versi leuwih gede na weh jadi bisa leuwih jelas. Bisa ngagunakeun lapotop sigana geus kawajiban jaman ayeuna soala sagala galana di prorses ngagunakeun laptop, sagala pagawean ngagunakeun aptop sangkan gancang lamun ngadatana.Lapotop bisa neundeun loba data data jeung ngolah data.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2819", "text": "Tina sudut pandang téknis, mobil anu torsi panggedéna nyaéta listrik, ngan ukur diwatesan ku kamampuan ban pikeun ngajaga gesekan ngalawan aspal. Janten éta sanés deui patarosan mana anu langkung saé, tapi ieu mangrupikeun kedah, pikeun kelestarian manusa di bumi, ngirangan tapak suku émisi.Di seueur nagara, pikeun ngadorong masarakat langkung gancang nampi mobil BEV, subsidi anu ageung dipasihkeun supados harga jual janten langkung mirah.\nUpami tiasa dicindekkeun yén mobil listrik dibandingkeun sareng mobil ICE:\nBiaya operasi handap\npangropéa leuwih gampang\nAkselerasi anu langkung gancang, cocog pikeun dianggo dina lalu lintas kota gedé.\nRélatif leuwih nyaman sabab noise geus loba ngurangan.\nRamah lingkungan sabab teu ngaluarkeun gas haseup\nHargana langkung mahal, upami teu aya subsidi ti pamarentah\nmileage rélatif kawates, saméméh kasadiaan infrastruktur stasiun ngecas\nMudah-mudahan katerangan singget pisan di luhur tiasa ngajawab patarosan \"Naha mobil listrik langkung saé tibatan mobil bahan bakar?\"", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "4733", "text": "Lamun urang ka asup jelema anu kurang kreatif leuwih nyaman nurutkeun batur jeung teu boga rasa kawani anu gede di gawe kantoran the pagawean anu cocok pisan, urang teu kudud loba mikir kratif jeung ngajieun inovasi sabab di gawe di kantor urang geus tinggal milu kana sistem anu geus di jieun, pagawean oge biasana eta eta deui gumantung kana bagean jeung posisi urang salaku pagawe didinya. Di gawe kantoran oge urang bisa leuwih bisa boga waktu anu jelas, urang bisa ngatur waktu urang sapopoe kusabab geus jelas aya jadwal jeung aturan na. Jam pagawean heus pasti misalkeun urang kudu di gawe ti ja 8 isuk nepi ka 5 burit, jadi urang bisa ngatur waktu istirahat jeung sare tepat waktu jadi leuwih ka atur keur kasehatan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "112", "text": "Udarana sejuk sabab loba tatangkalanna nu harejo. Ngaran tempatna Atanapi Coffee Camp nu aya di Jalan Bukit Pakar Utara Bandung. Didieu tempatna luas, loba oge tenda-tenda, aya api unggunna oge. Mun hayang hammock an bisa pisan. Didieu aya spot anyar ala-ala piknik cocok pisan bari sunset an. Aya tempat ngopina oge, pilihan menuna loba pisan. Aya bebek goreng anu lumayan gede dipakekeun sambel, bebekna enak sambelna oge ladana pas jadi katagihan. Nasi goreng oge aya lengkep jeung endog, kurupuk udang, jeung sayuranna. Lamun hayang nu haneut-haneut bisa pesen Mendoan. Didieu oge bisa nga-grill, si wadah grillna teh make rantang. Ciri khas di tempat ieu loba tatangkalan cengkehna.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4723", "text": "Wirausahawan atawa pangusaha oge di gambarkeun salaku individu anu bisa ningali kasempetan sareng ngamangpaatkeunana salaku usaha bisnis anyar. Loba pisan mangpaat atawa kaunggulan wirausaha salian ti mangpaat na jelema sejen jeung milu kontribusi kana nagara, tapi aya oge loba mangpaat pikeun diri sorangan diantara na nyaeta wirausahan muka kasempatan meunang untung secara kauangan kewirausahaan boga kasempetan pikeun nampi panghasilan anu henteu terbatas. Najan kitu, pikeun meunangkeun eta kudu meakkeun loba usaha jeung perjuangan. Sabab, moal aya kasuksesan tanpa kacapean kauntungan hiji deui nyaeta wirausahawan boga pilih kasempatan pikeun ngalakukeun hal-hal anu di pikareseup jadi bisa hirup lewih bebas asalkeun kudu tetep disiplin jeung gigih.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7058", "text": "Lamun urang keur ngarasa yen iman urang keur turun, urang kedah manggihan jalmi anu sholeh, dekeutan jalmi anu sholeh eta lantaran Alloh parantos ngadugikeun pikeun jalmi anu iman kedah sasarengan jeung jalmi anu sholeh. Lantaran ku sasarengan jeung jalmi nu sholeh eta, urang tiasa ngajagi imah urang. Lantaran jalmi anu iman mah bakal silih beja dina kasabaran jeung kabeneran. Lamun urang teu silih beja dina dua hal eta, tos tiasa dipastikeun urang bakal janten jalmi anu rugi. Manusia oge ditangtukeun ku agama sobatna, hartina lamun urang gaduh sobat anu agamana sae, urang bakal kabawa janten jalmi anu agamana sae oge.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5322", "text": "Salah sahiji kagiatan kaagamaan nu rutin dilaksanakeun ku kaum muslimah nyaeta keputrian. Kagiatan ieu teh biasana dilaksanakeun di sakola. Dilaksanakeunna unggal oe jumaah. Jadi, di sela-sela istirahat waktu jumah teh nu pameget mah jumaahan, nu putri mah diayakeun keputrian. Biasana keputrian teh diayakeun sami jeung lilana waktu jumaahan. Keputrian nyaeta dilaksanakeunna ku pendalaman elmu agama, jiga praktek atawa sharing elmu agama, oge aya nu ngadangukeun ceramah. Keputrian teh jadi salah sahiji kagiatan penting nu kudu diikuti ku satiap muslimah sabab salian bisa memperdalam elmu agama, oge bisa jadi bahan evaluasi diri jeung alarm pengingat urang dina mutuskeun sagala lampah jeung tingkah laku.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4095", "text": "Abdurrahman Wahid anu akrab di sebut Gus Dur ngajabat Présidén RI ka-4 ti 20 Oktober 1999 nepi ka 24 Juli 2001. Anjeunna di lahirkeun dina 4 Agustus 1940 di Désa Denanyar, Jombang, Jawa Wétan. Gus Dur lahir kalayan ngarana Abdurrahman Addakhil. \"Addakhil\" hartina \"Sang Penakluk\". Kecap \"Addakhil\" teu pati dikenal sarta diganti ngaranna \"Wahid\", lajeng leuwih dikenal salaku Gus Dur. \"Gus\" nyaéta sebatan husus di pasantren pikeun anak kiai anu hartina \"Aa\" atawa \"lanceuk.\" Gus Dur sacara umum nyatakeun yén anjeunna boga darah Cina. Abdurrahman Wahid ngaku katurunan Tan Kim Han anu nikah ka Tan A Lok, dulurna Raden Patah (Tan Eng Hwa), pangadeg Kasultanan Demak. Nu mantak eta keur jadi presiden Gus Dur mere perrhatian jeung ka adilan ka katurunan cina.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "940", "text": "Sairing mekarna zaman teknologi oge mimiti mekarna gancang, salah sahijina nyaeta merkarna dina teknologi jang nyeuseuh. Lamun baheula mah nyeuseuh kudu ka walungan jeung dilakukeun ku sorangan ku cara ngagosok-gosok kana alat gosok khusus, ayeuna mah pagawean eta bisa dilakukeun make teknologi nu ngaranna mesin cuci. Mesin cuci nyaeta mesin nu dijieun jang meresihkeun pakean atawa tekstil rumah tangga sejenna siga anduk jeung sepre. Biasana terbatas ngan saukur mesin nu ngagunakeun cai jang nyeuseuh jeung teu siga nyeuseuh garing nu digunakeun cairan pembersih alternatif nu biasa dilakukeun ku bisnis khusus. Mesin cuci nu umum dijual di pasaran mibogaan sababaraha jenis siga top loading hiji atawa dua tabung jeung front loading. Tiap jenis mesin cuci eta mibogaan kaleuwihan jeung kakuranganna sewang-sewangan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5819", "text": "Mobile legend jadi salah sahiji game nu keur populer pisan dina kalangan milenial. Hampir kabeh generasi maenkeun ieu game. Komo aya nu sok ngaranna mabar atawa main bareng, ngajadikeun ieu game pemersatu pertemanan. Biasana mah nu maen mobile legend teh sok nepi ka poho waktu, sabab kaseruan nana. Game mobile legend oge jadi game nu asup kana cabang olahraga e-sport nu ngahasilkeun loba pundi rupiah. Ku lobana atlet nu berhasil dina ieu e-sport teh ngajadikeun loba masyarakat nurutan katenaran nana ku cara miluan ieu game. Malahan mah nepi ka aya nu ngaluangkeun waktu sapopoe metuh jang maenkeun ieu game saking resepna.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "5842", "text": "Samemeh meser laptop, urang kudu paham heula kana spesifikasi laptop supaya bisa nyasuaikeun jeung nu dibutuhkeun ku urang. Usahakeun milihna nu lengkap jeung hargana nu sapadan. Sabab ayeuna mah loba spesifikasi aralus dina laptop nu hargana menengah. Jadi, mending sasuaikeun jeung budget terus nembe milihan type laptopna, sabab mun ningalian tina laptop heula mah bakal barieukkeun sabab loba nu spesifikasina sarua, ngan dibedakeun tina harga. Tapi emang aya harga aya kualitas, asal bisa pinter milihan nana sorangan. Terus kudu inget mun meuli laptop teh kudu dicobaan heula samemeh di beuli teh, kudu perhatikeun oge masa garansi na. Yuk milihan laptop nu alus jeung garansi na lila!", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7433", "text": "Lamun urang hoyong gaduh laptop tapi oge hoyong gaduh tablet urang tiasa milih laptop anu sakaligus tiasa janten tablet, Lenovo IdeaPad D330. Teu ngan dibekelan ku layar anu tiasa janten layar sentuh hungkul, layar laptop ieu oge tiasa dileupas sangkan janten tablet biasa. Janten urang tiasa make laptop ieu janten tablet anu keyboardna kapisah. Laptop ieu nganggo prosesor Intel Celeron jeung Intel Pentium. Aya tilu pilihan RAM, nyaeta aya nu 2GB, 4GB, jeung 8GB. Laptop ieu cocok kanggo barudak ngora anu hoyong digawe serba gancang. Windows 10 oge atos diinstall otomatis di laptop ieu. Laptop ieu oge tos dilengkepan ku kamera anu jernih jeung speaker anu sae. ", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "8129", "text": "Kamera Polaroid teh nyaeta jinis kamera instan anu ngamungkinkeun pamake na pikeun nyitak poto langsung saatos nyandak gambar. Kamera ieu ngagunakeun film instan husus anu ngandung bahan kimia anu bereaksi jeung cahaya pikeun ngahasilkeun gambar dina kertas poto dina hitungan detik. Kamera Polaroid munggaran diwanohkeun dina taun 1948 ku Edwin H. Land, pangadeg Polaroid Corporation. Kamera ieu janten populer pisan dina taun 1970-an sareng 1980-an, utamina kusabab kamampuan pikeun nyitak poto instan anu tiasa ditingali langsung tanpa kedah dikembangkeun di lab poto. Kiwari, Polaroid geus berinovasi kalawan tehnologi digital, tapi tetep nahan ciri unik na nawarkeun senang jeung kaajaiban percetakan poto instan.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7410", "text": "Panjat tebing atawa manjat gawir janten salah sahji olahraga anu bahaya tapi pikaresepeun. Olahraga ieu mulai populer awalna ti basa Gawir Citatah janten tempat latihan manjat kanggo pasukan TNI AD ti taun 1960. Sasuai jeung namina, di olahraga ieu urang kedah manjat gawir anu mangrupakeun batu tina alam. Lain sakukur asal manjat tapi aya oge sababaraha tehnik jeung parabot anu kedah dianggo lamun bade manjat gawir, diantarana nyaeta helem, sapatu kanggo manjat, hernes, tali, karabiner, jeung sajabana. SKYGERS mangrupakeun sakola panjat kahiji anu aya di Indonesia, didirikeun ku Harry Suliztiarto anu kantos manjat Planetarium Taman Ismail Marzuki kanggo ngenalkeun panjat ka loba jalmi. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "3976", "text": "Keur geusian libur dina sabtu minggu jeung libur nasional lebaran kamari urangjeung dulur dulur ulin ka ancol jakarta, uarang datang na kabeurangan da mimitina teu niat. akhirna keur nyukupkeun waktu da sieun balik na peuting teuing urang kabehan milih nek kareta wisata di ancol. Urang kabehan naek Karéta Wisata Sato-Sato nu ngaliwat Dufan, Ecopark, Ecovention, Pasar Seni, Gondola, Seaworld Ancol, Ocean Dream Samudra, East Gate, Beachpool, Ancol Lagoon jeung Carnival Beach. ngurilingan Ancol din akurang leuwih 15 menit. Naek kareta wisata ternyata enakeun urang bisa ngurilingan sagala tempat tapi cepet jeung tepat waktu, ieu teh solusi nu kayang jalan jalan tapi di buru buru ku waktu.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2376", "text": "Isukna, sanggeus balik ti imah kuring, Papa ngomong bari neuteup pedang, \"Dengekeun X (misan na), jadi mangpaat boh katempo jeung halimunan. Sabenerna urang aya dina panangtayungan Allah SWT, sarta anjeun kudu. ilubiung dina panyalindungan éta, ulah anjeun ngajauhan sareng nyimpang jauh.\"\r\n\r\nSaminggu ti harita, kuring didatangan (dina impian) ku Panglima Marinir anu beungeutna gareulis, awakna kuruyung, dedegna jangkung tur jejeg, baju perangna pinuh; Menjura ngadeuheusan ka kuring, tuluy masrahkeun pedang ka kuring kalayan hormat. Soré éta kuring bébéja ka Papa, waleran Papa mah basajan, \"Hampura sareng perlakukan anjeunna.\"\r\n\r\nNepi ka ayeuna, Bujang (ngaran Papa méré pedang) sok aya dina papakéan kuring, teu aya gegeroan kawas mimiti datang. Nalika kuring nuju tugas di luar kota pikeun sababaraha dinten, sababaraha tatanggana ningali sababaraha lalaki siga prajurit di teras payun sareng balkon leutik di tukangeun bumi, ker ngawasan imah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4204", "text": "Lagu Ampar Ampar Pisang asalna ti Kalimantan Selatan. Lagu ieu nyaritakeun ngeunaan cau anu diolah ku cara disebarkeun atawa digaringkeun dina proses ngolah cau jadi kadaharan husus. Lagu Ampar-Ampar Pisang nyaeta lagu rahayat indonesia dina basa Banjar ciptaan Hamiedan AC. Anjeunna maestro lagu daerah ti Banjar, Kalimantan Selatan. Ieu lagu biasana ditembangkeun ku barudak minangka pangiring dina kaulinan. Dina kaulinan nu dipirig ku tembang Ampar-Ampar Pisang, nepi ka ahir lagu, budak nu panungtung dirampa kudu ngalipetkeun sukuna kawas suku nu geus struk sabab digegel ku kuya. Dina awalna, lagu ampar ampar Pisang mangrupa lagu anu sering dinyanyikeun ku masarakat kalsel bari nyieun kueh tina olahan cau. Lagu ieu oge ngagambarkeun kabiasaan masarakat kalimantan kidul anu resep ngararancang ngampar ngamparkeun cau nalika mimiti masak.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "5872", "text": "Dokumentasi setiap peristiwa atawa kagiatan teh penting pisan sabab waktu jeung momen teh moal bisa kaulang deui. Mantak, mun aya momen berharga teh kudu diabadikeun make kamera supaya bisa dijadikeun memori jeung bukti fisik. Jeung deuih ayeuna mah babari, nyimpen dokumentasi teh bisa lewat aplikasi atawa dina smartphone, teu wae kudu diarsipkeun sacara fisikna. Mantakna, sabisa mungkin sagala momen teh difoto sing loba tuluy upload kana penyimpanan google atawa sd card supaya teu hangus atawa kahapus. Mun geus kasimpen mah kan babari rek ningalian atawa rek nyetak fotona oge. Yuk biasakeun nyimpen foto dicadangkeun na google! Supaya bisa diabadikeun jeung kamungkinan hilangna saeutik.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3052", "text": "Gawe sareng nongkrong di kantor ngabutuhkeun anjeun pikeun ngalaksanakeun sacara profésional. Beda dina aturan gawé moal jadi masalah pikeun professional tempo yén maranéhna bisa gancang adaptasi jeung sagala rupa kaayaan pausahaan.\n1. Poho kana kahirupan séjén\nNalika nuju damel, cobian ulah aya urusan pribadi sapertos mayar tagihan utiliti atanapi mesen barang online. Nolak ngagunakeun média sosial di tempat damel. Anjeun oge kedah ngawatesan kontak asup ti babaturan atawa kulawarga.\n2. Gampang akur jeung\nPikeun janten karyawan profésional, gampang akur sareng kolega anu sanés penting. Ieu tiasa ngajantenkeun karyawan sanés ramah ka anjeun. Hindarkeun grup di kantor, sabab tiasa ngajantenkeun anjeun henteu profésional.\n3. Rajin diajar\nProfésional ngan bisa dihontal ku jalma anu teu pernah eureun diajar. Janten kabuka pikeun pangalaman sareng palajaran anyar. Ieu tiasa ningkatkeun kamampuan pribadi sareng kaahlian damel. Henteu ngan éta, anjeun ogé tiasa janten karyawan anu kompeten.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "123", "text": "Di Ecopark Curug Tilu harita masih anyaran di buka, jadi masih aya nu di barangun jang tempat penginapanna bisi aya nu orang jauh atawa luar kota bisa sakalian sewa tempat penginapan. Geus ti parkiran, bakal ngaliwatan lorong gede jeung digigir-gigirna teh aya gerobak nu jarualan dahareun. Tuluy geus ngaliwatan eta bakal nempo panggung keur karaokean, di sabeulahna aya curug leutik jang tempat foto. Didinya oge aya balong nu aya laukan, urang bisa maraban lauk ku cara meuli parabna geus disadiakeun di hareupeun balongna, tinggal tendeun duitna dina wadah da euweuh penjagana. Loba tempat diuk permanen oge nu geus disadiakeun sabab bakal cape kukurilingan. Tempatna oge lumayan lega. Aya khusus tempat ulin jang barudak leutikna oge.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5452", "text": "Carita rakyat nyaeta carita nu asalna ti berbagai daerah di Indonesia. Caita rakyat di Indonesia biasana ngandung pesan moral nu kentel, oge biasana berkaitan jeung hiji tempat. Aya hij pendapat nu ngungkapkeun yen carita rakyat teh dijieun ku kolot baheula tujuanna jang miara atawa ngarawat hiji tempat supaya ulah di rusak atawa diganggu, mantak eta dina kisahna sok aya mawa unsur-unsur magis. Tuluy pesan moral nu ditepikeun oge teu sabarangan, mapatahan bener-bener supaya jalma te kudu urut kana aturan termasuk nurut kanu jadi kolot. Ulah nepi ka ngalanggar aturan komo nepi ka ngabogaan sipat sombong mah. Tidieu urang bisa paham yen carita rakyat teh masih keneh sasuai jeung kahirupan ayeuna dina segi pesan moralna. Ku kituna, yuk cobi pahami unggal pesan nu disampaikeun lewat carita rakyat!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "6131", "text": "Generasi zaman ayeuna mah seuseueurna leuwih milih jadi pengusaha dibandingkeun jadi karyawan atawa pegawai. Komo didukung ku kacanggihan teknologi mah usahana ge gampil. Seueur nu promosi usahana lewat media online, malahan mah seueurna nu dina marketplace. Salian bisa leuwih hemat anggaran, bisa oge leuwih hemat tanaga jeung waktu. Terus jangkauan promosi dina media online mah leuwih kena ka masyarakatna. Ditambah deui lewat marketplace mah teu kena pajak mun ngalapak teh, teu kudu nyewa tempat atau nyewa karyawan. Pengusaha digital atawa online teh jadi pilihan terbaik jang muka usaha di zaman kiwari nu serba canggih. Mantakna kudu ngarti kana kabutuhan masyarakat tuluy neangan celah jang pemasaranna.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3066", "text": "Baheula mah pas mimiti muka mini caffe mah ngan jualan, ngan hayang mayar wae, kudu mayar, kakara meuli, nepi ka ahir bulan ngarasa “mana duitna. , kumaha atuh nya kitu wae\" kuring sering ngetok modal atawa mayar kios bulanan. Ti dinya kuring diajar ngokolakeun duit jualan ku cara sorangan. Saban poe sok ngitung panghasilan kotorna, jaman harita masih manual, ari pesenan poe ayeuna mah ditulis sabaraha modalna, duitna sabaraha, untung sabaraha. Tuliskeun unggal pengeluaran keur kaperluan jualan, contona mah mini caffe, meureun waragadna galon, tisu, alat-alat beberesih, contona superpell, sinar panonpoé, jsb. Nyaan campur aduk-aduk sabab engke duit jualanna mah. jelas, anjeun tiasa \"nyaho\" minus atanapi kaleuwihan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5795", "text": "Poe ayeuna abdi bade jogging sareng rerencangan ka Kiara Payung. Ieu teh tos direncanakeun na mah tos lami pisan, nembe tiasa kalaksanakeun ayeuna. Abdi tuluy siap-siap nungguan di BGG. Pas jam opat sore teh nembe mulai nanjak jogging ka Kiara Payung. Jogging na teh santai da sabab bari ningalian perubahan di lingkungan sakitar. Ti BGG dugi ka kompleks perkemahan Kiara Payung teh kaitung opat puluh lima menit. Nepi teh jam lima kurang saparapat. Geus nepi tujuan mah rehat heula bari olahraga statis di komplek perkemahanna. Beres sagala rupa olahraga teh tuluy we ngobrol bari nikmati pamandangan sore di jembatan tol Cisumdawu nu aya di Kiara Payung. Awak teh asa harampang pisan mun tos jogging mah, asa ngeunaheun jeung seger pisan. Beres istirahat, langsung we uih deui ka BGG bari leumpang.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5433", "text": "Rumah adat di Indonesia aya di unggal provinsi jeung masing-masing gaduh ciri khas nu unik beda jeung nu lainna. Rumah adat ieu teh jadi salah sahiji hal nu ngarepresentasikeun kabudayaan suku satempat. Masing-masing gaduh bentuk unik nu ngandung siloka ajaran jeung tradisi suku adatna. Aya rumah Gadang ti suku Minangkabau, aya rumah Joglo ti suku Jawa, aya rumah Hanoi ti suku Dani, rumah Sunda ti suku Sunda, jeung loba deui nu sejenna. Hal ieu jadi kakayaan budaya di Indonesia nu nepi ka ayeuna masih eksis. Malah sababaraha rumah adat jadi destinasi wisata budaya nu diminati pisan ku wisatawan lokal nepi ka wisatawan internasional. Ku kituna, urang salaku warga Indonesia kedah ngajaga ieu kaberagaman teh ku cara ngalestarikeun nana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "1154", "text": "Sabab gawe di kantor mah di jero rohangan, biasana geus di pasang AC. Tapi sabenerna urang teu kuat kana AC teh, jadi urang sok mawa jaket ngameh teu tiris. Ditambah posisi meja gawe urang teh handapeun pisan AC. Meja gawe urang di sekat-sekat jeung nu sejen, tapi mun urang tanggah saeutik mah bakal katinggali nu sejenna oge. Di gigir meja gawe, aya jendela anu nyanghareup ka jalan. Mun keur bosen urang sok nangtung dina deukeut jendela. Atawa mun keur rada tunduh sok buru-buru ka cai jang tamas, atawa ninyuh cai kopi di dapur ngameh cenghar deui. Korsi diukna empuk jadi diuk lila oge teu nepikeun ka nyeuri bujur.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8266", "text": "Anyar-anyar ieu teh, seueur jalma anu mimiti ningali dunya bisnis tibatan janten karyawan perusahaan. Kasuksesan kauangan anu tiasa dimeunangkeun tina ngawangun usaha sorangan teh nyorong jalma-jalma pikeun milih ngamimitian usaha sorangan. Seueur carita kasuksesan para pangusaha anu berjuang ti nol sareng kedah ngalangkungan jalan anu panjang sareng berliku tur ngahadapkeun loba rintangan sateuacan tungtungna ngahontal kasuksesan anu tiasa janten inspirasi pikeun anjeun anu hoyong nyobian dunya kewirausahaan. Mémang loba nu nyebutkeun yen teu kabéh jalma boga bakat pikeun jadi wirausaha, tapi ditilik tina carita-carita parap pengusaha nu tos sukses, tiasa dicindekkeun yen kasuksesan teh hasil gawe teuas, lain saukur bakat.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9311", "text": "Nalika urang mutuskeun rek nikah jeung hirup duaan jeung pasangan, urang teh lain nyatukeun kuring jeung anjeun hungkul. Tina pernikahan teh urang bakal nyatukeun dua kulawargi ageung. Jadi hubungan urang jeung dua kulawargi oge kudu baik, kitu oge jeung pasangan urang. Sok aya jalma anu geus nikah teh mikirna peran kulawarga khusuna kolot teh geus teu boga hak deui. Pamikiran kieu teh pamikiran anu lepat, justru dukungan ti kolot teh boh kolot urang, boh kolot pasangan urang bakal janten kakuatan utama keur kabeh pasangan anu butuh kana pertimbangan dina kahirupan pernikahanna. Urang ulah ngajadikeun pernikahan teh halangan jang babakti ka kolot, kajeun urang geus boga budak engke, urang teh angger anak ka kolot teh. \r\n", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1957", "text": "Jalan ka Mercury Hill langkung heureut. Lamun asup ka warga kampung, lebar jalanna paling loba ngan saméter. Teu cocog pikeun mobil. Sanggeus padumukan, tuluy némbongan kebon-kebon héjo anu dicaritakeun ku indung tadi. Ema teu bohong. Sajauh panon bisa ningali, sayuran, lolobana dina bentuk daun handap, mekar. Aranjeunna disiram ku cai ngagolak tina bedil semprot. Cai asalna tina mata air anu ngalir ngaliwatan saluran irigasi leutik, teras dikumpulkeun dina balong di sisi kebon. Upama aya kecap anu bisa ngagambarkeun suasana waktu harita, nya éta: solemn. Méméh surup, angin ngahiliwir beuki tiis. Malah di cakrawala, cahaya caang mimiti luntur, ninggalkeun corétan oranyeu anu nyampur jeung héjo tina sayuran. Patani di sawah buru-buru turun. Aranjeunna ngabagéakeun kami, kedip-kedip imut haneut. Ah, adem ayem suasana peuting éta. Tukangeun kebon sayur, Gunung Ciremai nangtung anggun. Dina awakna kasaput leuweung héjo. Angin tiis turun tina lampingna", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3860", "text": "Seblak mangrupa dahareun atawa jajanan nu hampir kabeh resepeun, rasa na nu enak kurupuk nu di godog jadi kenyal di tambah sayur biasana sawi hejo atawa sawi bodas nu seger terus di tambah sagala toping saperti bakso, sosis, endog, daging hayam jeung ceker di hijikeun jeung kuah nu gurih jeung lada sarta aya asa amis na saeutik jadi rasa nu istimewa matakna loba nu ngajadikeun seblak dahareun favorite na. Seblak ge lengkap vitamin na sabab aya sayur jeung protein na. Harga seblak ge kaitung murah tergantung meuli na seblak ku kumaha harga seblak rupa -rupa biasana aya nu ti harga lima rebuan nepi ka dua puluh rebuan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4243", "text": "Perkembangan alat musik Sasando terus ti jaman ka jaman, nepi ka bentuk senarna robah sarta kualitas sorana ningkat. Fifik geus pindah tina tulangan daun lontar, kulit awi jadi tali kawat, senar tunggal jadi senar ganda, akustik jadi alat elektronik, gong sasando nepi ka sasando biola.Kamekaran ieu mangrupa wujud parobahan Sasando salaku alat musik tradisional anu ngagabungkeun téknologi modern. Kamampuhan sareng karep pikeun ngarobih Sasando ngagambarkeun kapribadian sareng etos kerja masarakat Rote anu dinamis pisan dina musikna. Tapi ku kitu na ge sora nu di hasilkeun ku alat musik tradisional sasando tetep sarua tetep unik jeung merdu teu ngarubah kualitas sorana.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "2258", "text": "Nabi Musa meulah laut, nabi Musa Alaihi Sallam ngumpulkeun Bani Israil pikeun indit ka Palestina. Fir'aun anu terang kaburna langsung buru-buru nyusul aranjeunna kalayan pasukan anu ageung. Nalika Musa AS dugi ka Laut Beureum sareng Bani Israil, katingal Fir'aun nuju nuju ka aranjeunna sareng aranjeunna yakin yén aranjeunna bakal dipaéhan, tapi Nabi Musa AS neunggeul cai laut ku tongkatna teras cai beulah. , ngajadikeun jalan garing. Jalma meuntas aman. Nalika Firaun ningali jalan, anjeunna diasupkeun ka laut mimpin pasukanana. Tapi nalika Fir'aun aya di tengah laut, cai muka ujug-ujug nutup deui Firaun jeung pasukanana. Firaun tilelep jeung baladna tantarana sarta maraot.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "150", "text": "Pas aya kawinan babaturan di Bogor, urang kaditu naek beus sorangan. Sabab Bogor Jakarta padeukeut, jadi urang, Raihani, Seni, Ipeh, Amel ngarencanakeun ulin ka Jakarta, tapi ari si Amel mah emang orang Jakarta. Beres kawinan arurang langsung naek LRT ti stasiun Bogor ka Stasiun Pasar Senen bari kaayaan hujan jeung geus peuting. Didinya arurang dahar soto heula, sabab lapar. Lajeng mesen Grabcar ka imah si Amel, lantaran geus peuting jadi mondok heula sapeuting. Isukna arurang diajak jalan-jalan ku si Amel, siga naek Transjakarta jeung MRT. Arurang turun di Blok-M sakalian dahar di Solaria pesen sangu goreng. Peutingna kabeh papisah balikna, urang jeung Raihani mah satujuan ka Bandung, tapi beda beus. Jujur ieu liburan nu paling berkesan, sabab ieu pertama kali na urang ka Jakarta jeung pertama kali na urang naek MRT.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3944", "text": "Kamari urang jeung babaturan di haja hayang ulin ka tempat wisata nu teu jauh ti imah bis di sebut deukeut imah aya tempat wisata atawa anu biasa di sebut hidden gems nyaeta kampung kahuripan. Urang jeung babaturan mangkat isuk keneh supaya nepi kaditu can pati rame. Jalan ka kampung kahuripan ti imah sakitar tilu puluh menit atawa satengah jam. Lumayan dekeut emang masih ka etang kampung kahuripan teh sa kecamatan jeung imah. Pas geus nepi didinya urang jeungbabaturan meuli tiketn heula terus bisa langsung asup. Di jero kampung kahuripan aya loba tempat nu alus pikeun di foto foto pemandangan na endah udarana ge sejuk. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4139", "text": "Kabeh agama ngajarkeun kabeneran jeung kabijakan kabeh agama bageur ngajarkeun kasih sayang silih asak ilih asuh agama anu di aku di indonsia aya genep nyaeta, islam, kristen protestan, kristen katolik, hindu, budha jeung konghucu. Kabeh agama boga kitab sucina masing masing. Islam kitab suci na Al Quran, kristen protestan jeung kristen katolik kitab sucina al kitab, hindu kitab sucina weda, budha Tripitaka jeung terakhir kitab suci umat konghucu nyaeta Si Shu. Indonesia teh negara demokrasi jeung toleransi ka umat beragama, urang kabeh sarua teu mandang agama na. Boga babaturan nu salian ti slam ge basa wae da urang biasa hidup berdampingan asal ulah saling ribut kudu saling jaga jeung toleransi supaya hirup tenang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9041", "text": "Hal katilu anu urang kéngingkeun nalika damel di kantor nyaéta ngartos seluk beluk dunia bisnis. Sisi tambah séjén tina padamelan kantor nyaéta tina sisi bisnis perusahaan tempat anjeun damel. Kusabab anjeun langsung kalibet dina éta, tangtu anjeun bakal leuwih paham ngeunaan seluk beluk ieu widang, utamana dina posisi anjeun. Salaku conto, padamelan kantor anu anjeun lakukeun nyaéta dina widang distributor mesin cetak digital. Janten anjeun tiasa ningali yén aya seueur jinis percetakan digital, anu bahkan tiasa nyitak dina kaca sareng kai. Salian ti éta, anjeun ogé mimiti ngartos tren sareng target pasar bisnis, ogé supplier sareng pesaing anu tos aya. Janten di daérah anu tangtu nalika damel di kantor pasti ngajantenkeun jaringan anjeun langkung saé sareng langkung lega, masihan aksés pikeun anjeun diajar langkung seueur.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4917", "text": "Zaman kiwari, seueur nu ngabudidayakeun buah naga di pakarangan bumi. Buah naga jadi salah sahiji buah-buahan karesep budak ngora jeung kolot sakalian. Disebut buah naga sabab bentuk na buleud tur aya kulit sisikan nu mirip jeung sisik naga. Warna kulitna kayas semu ungu pai tos kolot atanapi asak. Mun dibeulah, jerona warna ungu pisan tur reuteum ku siki warna hideung. Tapi aya oge buah naga anu jerona warna bodas tur reuteum ku siki nu warna hideung. Duanana sarua ngeunahna, sarua gizi jeung khasiatna. Buah naga nu jerona bodas bisa kabilang jarang aya di pasar, benten jeung buah naga nu eusina ungu. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9431", "text": "Urang tangtos terang, ngonsumsi buah seger langkung sae tibatan ngonsumsi buah kaleng kusabab kandungan gizi anu langkung seueur. Buah seger dipetik asak dina tangkal, ku kituna kandungan gizi anu leuwih seueur dibandingkeun jeung buah anu geus diolah atawa disimpen dina kaleng. Buah kaleng biasana dipasteurisasi atanapi diawetkeun ku sababaraha cara pikeun manjangkeun umur kedaluarsana, anu tiasa nyababkeun leungitna sababaraha gizi anu aya di jerona. Sajaba ti eta, buah utuh oge leuwih seger rasana tur leuwih nguenah batan buah kaleng nu geus disimpen lila. Sajaba ti eta, ngonsumsi buah seger oge bisa mantuan ngajaga kasehatan awak urang sabab ngandung vitamin sarta mineral anu diperlukeun ku awak urang. Janten, upami anjeun hoyong ngajaga kasehatan sareng minuhan kabutuhan gizi anu cukup, hayu urang langkung seueur nuang buah seger tibatan buah kalengan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9417", "text": "Nyieun roti di imah ngagaduhan seueur kaunggulan tibatan ngagaleuh roti di toko. Kahiji, nyieun roti di imah bisa ngahemat artos. Roti anu dijieun di bumi biasana langkung mirah tibatan roti anu dipeser di toko, khususna upami anjeun meser bahan-bahanna seueur. Kadua, ngadamel roti di bumi tiasa ngabantosan anjeun ngontrol kualitas bahan anu dianggo. Anjeun tiasa milih bahan anu langkung sehat sareng kualitas anu pangsaena, sapertos tipung gandum organik atanapi mantega anu teu ngandung pangawet. Katilu, nyieun roti di imah bisa jadi kagiatan anu pikaresepeun. Anjeun tiasa ngarasakeun proses nyieun roti bari ngalakukeun sababaraha aktivitas fisik, kayaning nyampur adonan atawa motongan roti. Janten upami anjeun hoyong ngahémat artos, kontrol kualitas bahan anu anjeun anggo, sareng nikmati kagiatan anu pikaresepeun, cobian ngadamel roti di bumi. Anjeun pasti bakal ngarasakeun mangpaatna.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9056", "text": "Salah sahiji kadaharan ti Jawa Barat anu teu kalah populer nyaéta cirambay. Kadaharan ieu mimiti janten viral saprak resep sareng ulasanna muncul dina sababaraha média sosial. Cirambay nyaéta jenis mi anu dijieun tina tipung tapioka jeung tipung gandum. Ciri khas kadaharan ieu nyaéta rasana anu lada ditambah rasa amis saeutik kawas kadaharan Sunda dina umumna. Cirambay teh singgetan tina aci rambay. Olahan aci ieu dijieun siga mie sangkan karasa leuwih unik jeung metot dibandingkeun katuangan khas Jawa Barat lianna nu dijieun tina aci. Dina basa Sunda, kecap cirambay hartina cipanon dina panon. Rasa lada tina kadaharan ieu ngabngkitkeun napsu, sahingga ladana ngajadikeun urang ngeclakan cipanon. Mie lada ieu biasa dijual di Tasikmalaya, Garut, Bandung jeung kota-kota sejenna di Jawa Barat. Lamun di Jabodetabek mah lolobana aci rambay teh masih dijual online. Penggemar kadaharan ieu lain ngan ukur urang Jawa Barat hungkul, tapi jalma-jalma ti sagala rupa daérah ogé resep kana ieu kadaharan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4274", "text": "Dahareun nu loba jeung terkenal di indonesia nyaeta nasi padang, masakan padang anu has ti sumatera barat, dahareun ieu loba pisan di pikaresp ku batur. Warung nasi padang loba pisan aya dimana mana baabri di panggihan. Saking enak jeung loba nu resepeun warung nasi padang oge aya nu nepika buka di luar negeri. Sabenerna nasi padang nya nyaéta sangu bodas biasa anu disajikeun ku rupa-rupa lauk has etnis Minangkabau Indonésia. Kecap padang nujul ka ibukota propinsi Sumatera Barat Padang. Nasi padang nyaéta hidangan prasmanan kumplit jeung daging, lauk, sayuran jeung kadaharan lada didahar. Réstoran Padang biasana dicirian ku wangunan gaya Rumah Gadang (hateup lonjong jeung melengkung) dilengkepan ku gaya tampilan jandela nu has. penyajian nasi padang biasana diwangun ku piring jeung mangkok nu ditumpuk samodél kitu, disusun jeung dieusi ku rupa-rupa masakan. Réstoran Padang, utamana nu ukuranana leutik jeung sedeng, biasana maké ngaran dina basa Minang", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7155", "text": "Kawas pedang, keris oge senjata anu seukeut. Sanajan kitu, keris leuwih sinonim jeung budaya Indonesia. Cenah mah keris geus aya ti 100 taun ka tukang. Wangun keris has pisan sahingga gampang dibedakeun jeung senjata seukeut anu sejenna. Ujung keris seukeut tur muncuguk, beuki lega ka dasarna. Bagian ujungna biasana muringkel sareng gaduh serat logam anu terang. Jaman baheula, keris dijadikeun senjata perang. Tapi kiwari, keris leuwih loba dipake salaku pelengkap pakean tradisional. Keris oge mineng janten barang koleksi. Sanajan kitu, ieu pusaka tetep mibanda ajaran luhung budaya Indonesia. Pamakean keris sumebar ka masarakat anu kungsi cicing di Majapahit, nyaeta Jawa, Madura, Nusa Tenggara, basisir Kalimantan, sabagian Sulawesi, nepi ka Sumatra.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3050", "text": "Gawé di kantor téh loba kasusah. Biasana mun balik telat jeung capé. urang kudu pinter ngatur keuangan, gaya jeung hubungan. Tong cape gawe tapi boros jeung ulah ngarasakeun hasilna engke. Seueur kasus sapertos kieu. Nuturkeun gaya tapi ngabareuhan jeung CC ngabareuhan. Upami anjeun hoyong tuang anu standar sareng nikmat, aya Grabfood. Sanajan éta promo. Lamun hayang jadi super ekonomis jeung cageur, mawa dahar beurang. Karyawan anu masih dina tingkat éntri biasana mawa tuang siang ti bumi. Sehat bergizi. Millennials sareng gen z damel di dieu, khususna anu gaduh prinsip 'gaya heula, pikir engké'. Tingkat setrésna sami sareng Sudirman, khususna upami jam 5 sonten dugi ka jam 9 wengi. Mobil rada obah oge alhamdulillah. Rata-rata karyawan mulih naék mobil jam 7 jeung 8 peuting sangkan teu macét.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7174", "text": "Angklung mangrupakeun pakakas musik tradisional anu asalna asli ti Indonesia. Dijieunna tina awi sarta wangunna siga iteuk, angklung gaduh sajumlah awi anu ukuran na benten. Unggal awi boga liang di handapna, nu bisa dieusian ku cai. Lamun diputer, awi bakal ngageter sarta ngahasilkeun nada anu beda. Angklung biasana dicoo ku sababaraha urang babarengan pikeun ngahasilkeun musik anu harmonis. Di Bandung aya tempat kanggo diajar angklung sareng wisata budaya, nyaeta Saung Angklung Udjo. Tempat ieu janten tempmat anu kasohor pisan di kalangan turis mancanegara. Angklung dimaenkeun ku ngoyag-oyag nepikeun ngahasilkeun sora. Nada anu dihasilkeun angklung nyaeta do re mi fa sol la si do.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4966", "text": "Camilan nu dipikaresep ku didieu nyaeta puding nu dieusian ku buah-buahan. Tekstur na nu kenyal teu teuas ngajadikeun ieu camilan kenging perhatian leuwih ti camilan amis nu sejenna. Puding nu eusina buah-buahan biasa dicetak ngabentuk jiga es krim tuluy dicolok make stik es krim. Bentukna segi panjang pipih, dijerona aya potongan buah-buahan jiga apel, buah naga, atawa melon. Warna na rupa-rupa kumaha rasana. Upami rasa cokelat nya warna na cokelat, upami rasa melon nya warna na hejo, kitu oge mun rasa buah nya warna na bakal oren. Saloyang citakan mahi ku genep stikeun. Biasana puding buah-buahan mah sok rea nu make warna hejo, nyaeta rasa melon supaya buah-buahan na caang katingali saban diacungkeun teh.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "9035", "text": "Faktor kasuksésan wirausaha anu kaopat nyaéta tiasa ngartos target pasar. Ngartos target pasar ieu ogé mangrupikeun salah sahiji faktor pikeun kasuksésan wirausaha anu kedah dipertimbangkeun ti mimiti. Sadaya usaha anu anjeun lakukeun bakal aya gunana upami tétéla anjeun parantos nyetél target pasar anu salah pikeun produk anu anjeun hasilkeun. Kalima, boga jaringan anu lega. Ngabogaan jaringan atanapi jaringan anu lega bakal ngagampangkeun anjeun ngalaksanakeun strategi pemasaran. Jaringan ieu tiasa dina bentuk hubungan kulawarga, silaturahim, sareng ogé bisnis. Kagenep, bisa méré palayanan anu panghadéna. Pondokna, kewirausahaan mangrupikeun hal anu anjeun lakukeun sorangan. Janten, anjeun ogé kedah ngartos yén dina hal jasa, anjeun bakal ngalakukeunana sorangan. Katujuh, anu mibanda aspék inovasi jeung kréativitas anu luhur. Sakumaha anu dibahas di luhur, upami anjeun henteu tiasa nuturkeun jaman ku ngainovasi produk, bisnis anjeun bakal ditinggalkeun ku pesaing. Pikeun ngalaksanakeun rupa-rupa inovasi ieu, anjeun kedah gaduh kréativitas anu luhur sareng henteu terbatas.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "7033", "text": "Para barudak lalaki Ashabul Kahfi ninggalkeun kota tempat maranehna cicing jeung nyumput di guha pikeun ngabela iman maranehanana. Aranjeunna nyumput di Gua Rajib anu perenahna kira-kira 8 kilometer ti Amman, Yordania. Pas nuju di jalan ka guha, aranjeunna papanggih anjing ngaranna Qathmair anu oge nuturkeun aranjeunna. Di eta guha, para barudak lalaki dina carita Ashabul Kahfi tiasa bebas ibadah ka Alloh sakaligus menta panyalindungan sangkan ulah diudag-udag ku prajurit Raja Daqyanus. Kalayan ijin ti Gusti Allah SWT, Allah oge nutup pangdenge jeung paningal para barudak lalaki eta sangkan sare sing lila. Dicaritakeun, aranjeunna sare nepikeun 309 taun lilana di jero guha. ", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "8271", "text": "Sanaos pamarentah parantos ngaluarkeun parentah damel ti bumi atanapi work from homei (WFH), nyatana masih aya pagawe anu damel di kantor. Samemeh aya wabah korona, Bambang ngagunakeun moda angkutan beus TransJakarta unggal poe ka kantor. Tapi, lantaran kantorna teu nerapkeun sistem WFH, Bambang ti minggu kamari naek sapedah motorna. Henteu ngan ukur naek motor, Bambang oge dilengkepan ku lawon anu nutupan sungut sareng irung sareng sarung tangan. Bambang ngaku yen nepi ka ayeuna manehna can boga masker. Salah sahiji alesan Bambang teu naek angkot teh lantaran hariwang panggih jeung batur. Bambang ngaharepkeun kantorna tiasa ngaberlakukeun dael ti bumi janten manehna teu kudu iinditan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5847", "text": "Radio mangrupakeun salah sahiji alat komunikasi anu aya ti zaman baheula. Komunikasi dina radio disampaikeun na sati arah, jadi ngan bisa didangu hungkul. Radio teh mimiti perkembangan na mah bentuk na gede pisan, makin kadieu makin alit nepi ka bisa dibawa ka mana-mana. Di salah sahiji juru na teh aya antena anu fungsina nangkap sinyal radio. Di payunna aya lobang speaker jeung tombol. Tombol na teh aya nu paranti ngahurungkeun jeung mareuman radio, ngatur volume, jeung ngatur channel siaram radio. Biasana tombol ngatur channel atawa gelombang mah bentukna buleud tuluy diputer ka kenca atawa ka katuhu sasuai kahayang. Mun tukang na mah aya wadah batre badag nu bisa dibuka jeung ditutup.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3892", "text": "Sukro salah satu makan sunda yang cukup terkenal. Sukro teh singkatan ti suuk di jero. Sukro bisa di sebut salah sahiji dahareun khas ti tanah sunda, sukro di jieun na tina kacang suuk nu di bulen ku tipung terus di goreng nepi ka garing. Suro bisa di sipen lila lantara proses nyiena ge lila. Sukro bisa di jadikeun dahareun camilan atawa lauk dahar sangu atawa mie sabenerna da rasa na nu gurih jeung renyah bisa jadi gaganti kurupuk. Harga sukro anu kaitung murah jeung cocok di dahar di sagala cara jeung suasana ngajadikeun cemilan sukro tetep aya nepi ka ayeuna. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "8668", "text": "Nyiptakeun babaturan dugi ka sepuh mangrupikeun hal anu berharga sareng jarang. Lamun hiji bisa ngajaga hubungan silaturahim pikeun taun komo hirupna, eta hiji hal pisan husus tur berharga. Karasa pisan jeung nyaman lamun batur boga sobat nu salawasna aya di gigireun urang sepanjang waktos. Aya seueur momen berharga anu tiasa urang bagikeun sareng rerencangan urang, naha eta gumbira atanapi duka, sareng tiasa silih rojong sareng nguatkeun dina kaayaan susah. Babaturan anu langgeng oge masihan urang rasa stabilitas sareng kanyamanan dina kahirupan. Aranjeunna ngartos pisan ka urang, terang naon anu ngajadikeun urang bagja sareng naon anu ngajadikeun urang sedih. Aranjeunna nampi urang salaku urang sareng henteu pernah nangtoskeun urang ku naon anu urang gaduh atanapi henteu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "5019", "text": "Gunung Tangkuban Parahu jadi salah sahiji wisata andalan Jawa Barat. Gunung Tangkuban Parahu tos katelah di saluruh Inonesia dugi ka mancanagara. Lokasina aya di perbatasan Bandung jeung Subang. Akses jalan na gampil da sisi jalan raya jeung akses ka kawahna tos sae, tiasa lebet mobil. Pamandangan kawahna endah pisan. Sapanjang biwir kawah aya akses jalan mangrupa tangga ngurilingan kawah, jadi pengunjung bisa popotoan di biwir kawah. Fasilitas na oge kaitung lengkap, aya kamar cai, pusat oleh-oleh, masjid, jeung information center. Penataan tempat na oge tos rapih pisan, jadi pengunjung bisa nyaman nikmati pamandangan kawahna. Harga tiket masukna oge masih kajangkau ku sagala kalangan, kur dua puluh lima rebu saurang. Ieu tempat wisata teh emang wajib pisan dilongokan, tong ukur sakali. Kaendahannana moal aya di tempat lain mah.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1188", "text": "Cara ngameh produk nu ku urang jual di online menarik jang pelanggan meh meuli. Nu kahiji pastikeun gambar produkna alus jeung jelas. Lantaran pastina calon nu rek meuli bakal ninggali heula fotona samemeh ngaklik produk nu ku urang pajang, nah supaya diklik pastikeun fotona jelas jeung alus. Nu kadua eusian deskripsi produkna sacara lengkap. Biasana di deskripsi produk ngeusian ngaran atawa judul produk, ukuran, pilihan warna, detal bahan anu digunakeun, mun aya masa kadaluarsa oge cantumkeun, pokona mah sacara rinci. Nu katilu ulah poho cantumkeun oge beurat produk jeung ukuranna. Ieu penting ngameh mere gambaran anu leuwih jelas kanu rek meulina. Jadi maranehna bisa meuli produk luyu jeung kabutuhan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5512", "text": "Mun nuju mampir ka kota Bogor, tong hilap kedah pisan nyobian asinan bogor. Ieu tuangeun teh dipikaresep pisan ku sabagean besar masyarakat sabab rasana nu unik. Tuangeun ieu mangrupa samacam rujak nu dikuahan make kuah asinan cuka. Asinan bogor dijieunna tina sayuran jeung bungbuahan dihijikeun tuluy oge make kacang tanah. Tah rasa kuahna nu mantak beda mah, kuah rujak cuka nu direka-reka jadi seger pisan. Komo mun tengah poe mah ieu teh wajib pisan jadi tuangeun supaya seger jeung teu jangar. Tong hilap nya, upami ka Bogor teh cobian asinan Bogor, dijamin bakal deudeuieun geura. Yuk ah urang serbu ieu tuangeun!", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7397", "text": "Piala Thomas atau disebut oge Thomas Cup nyaeta kajawaraan badminton internasional pikeun nomer tim lalaki anu diayakeun unggal dua taun. Mimitina ieu kajawaraan dilaksanakeun unggal tilu taun. Tapi ti taun 1982 nepi ka ayeuna, kajuaraan tim putra ieu dilaksanakeun unggal dua taun. Nami kajawaraan ieu asalna tina nami Sir George Alan Thomas, tilas Presiden IBF sakaligus pamaen badminton ti Inggris anu nyumbangkeun piala taun 1939. Piala Thomas mangrupakeun kajawaraan pangkolotna anu diayakeun ku IBF. Kajuaraan kahiji dilaksanakeun dina 1948-1949. Taun eta, 10 nagara miluan dina turnamen ieu nyaeta Kanada, Denmark, Inggris, Perancis, Irlandia, Bosnia, Amerika Serikat, India, Malaya jeung Swedia. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "5062", "text": "Tah, ayeuna mah kangge pala wargi Tasikmalaya nu teu gaduh kandaraan kangge ka Galunggung teu kedah riwan. Sabab ayeuna mah aya bus pariwisata khusus nyaeta Bus Galunggung nu mangrupakeun hibah ti pamarentah Jabar dalam rangka ningkatkeun potensi wisata nu aya di Tasikmalaya. Bus ieu beroperasi di kawasan wisata Gunung Galunggung. Beroperasina unggal jam dalapan dugi jam opat sonten. Tah, komplek wisata Galunggung nu sakitu legana ayeuna mah bisa dinikmati sadaya make ieu kandaraan. Jadi, warga nu teu tiasa ameng karena teu aya kandaraan ayeuna man bisa ameng ngangge bus ieu. Hargina teu mahal teuing, normal jiga angkutan nu sanes. Yuk ah pala wargi geura cobian bus hiji ieu!", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "9584", "text": "Awug mangrupa kadaharan khas Jawa Barat khususna masarakat sunda. Kadaharan ieu dijieun tina tipung béas anu dicampuran ku gula, cai, uyah, jeung kalapa meunang marud, tuluy diasakeun ku cara diseupan. Awug diseupan ngagunakeun parabot dapur nu ngaranna aseupan. Bentukna nu nyongclo jadi ciri khasna. Rasa nu dihasilkeun nalika diseupan dina aseupan bisa leuwih ngeunah miboga kualitas anu alus alus ogé leuwih seungit. Sanggeus asak awug biasana dipindahkeun kana alas daun cau heula, saacan dibungkus atawa di kan piringkeun. Adonan awug biasana dijieun sababaraha lapisan, aya 2 warna nyaéta bodas jeung bureum semu kacoklatan. Bodas tina tipung béas, beureum tina gula kawung. ", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7947", "text": "Tos saminggon abdi bobo peuting-peuting nepikeun tabuh dua peuting lantaran ngerjakeun tugas ti kampus wae. Abdi lieur pisan kana tugas anu dipasihan ku dosen lantaran siga nu teu ereun-ereun, komo batas waktos kanggo ngumpulkeunna oge hampir dekeutan, beuki we abdi teh ngarasa lieur dina sirah. Untungna pas abdi tos rengse ngerjakeun sadaya tugas abdi, aya rerencangan abdi anu ngajakan ameng ka leuwueung kanggo kemping. Abdi atoh pisan basa diajakan naek gunung ku anjeunna lantaran abdi tos lami pisan teu ka luar imah. Komo basa pandemi kamari abdi sareng rerencangan tos jarang patepang lantaran teu tiasa kempel. Tungtungn abdi tiasa kempel deui sareng rerencangan anu tos lami patepang sabari ngarasakeun endahna alam, jauh ti hape jeung laptop. ", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7098", "text": "Upacara Melasti dilaksanakeun saban sataun sakali, anu mangrupa runtuyan Hari Raya Nyepi di Bali. Melasti, dina sumber Lontar Sunarigama jeung Sanghyang Aji Swamandala nu dirumuskeun dina basa Jawa Kuna nyebutkeun “Mesti ngarania ngiring prewatek dewata angayutkeun laraning jagat, papa klesa, letuhing bhuwana”. Ngiring prewatek dewata, hartina upacara melasti kudu dipiheulaan ku nyembah ka Gusti kalayan sagala rupana dina mangsa lalampahan melasti. Tujuanana nyaeta sangkan bisa nurut kana pituduh dewa minangka wujud Tuhan. Ku nuturkeun pituduh Tuhan, manusa bakal meunang kakuatan suci pikeun ngatur kahirupan di dunya ieu. Ku alatan eta, melasti rada beda jeung ngawula ka Allah dina upacara ngodalin atawa pas ibadah biasa. Dewa-dewa dilambangkan hadir di sabudeureun desa, sarana pretima jeung sakabeh abon Ida Bhatara.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "9061", "text": "Jualan barang dina TikTok ayeuna mah seueur dianggo ku seueur jalma bisnis. Tik Tok mangrupikeun aplikasi jejaring sosial sareng platform video musik dimana panggunana tiasa nyiptakeun, ngédit sareng ngabagi klip pidéo pondok lengkep sareng dipirig ku musik salaku pangrojongna. Kalayan aplikasi ieu, pangguna tiasa gancang sareng gampang nyiptakeun pidéo pondok anu unik pikeun dibagikeun sareng réréncangan ka saluruh dunya. Tapi ayeuna aplikasi TikTok henteu ngan ukur dianggo pikeun unggah atanapi nonton pidéo hungkul. Ayeuna mah pangguna TikTok ogé tiasa balanja tina TikTok Shop. TikTok shop mangrupikeun fitur balanja online anu disayogikeun ku Aplikasi TikTok anu disayogikeun supados pangguna TikTok tiasa ngajual sareng balanja online. TikTok Shop ieu mangrupikeun fitur anu ngamungkinkeun para panggunana pikeun transaksi ngagaleuh sareng ngajual langsung dina aplikasina. TikTok Shop ngarahkeun panggunana pikeun balanja langsung tanpa kedah lebet kana aplikasi anu sanés. Hal ieu bakal nyepetkeun waktos kanggo pangguna TikTok Shop nalika aranjeunna badé balanja sareng meresan transaksi pameseran produk anu dipikahoyong.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4716", "text": "Motivasi para generasi milenial jeung generasi z perlu pisan di apresiasi, mental barudak generasi jaman ayeuna th kuat, henteu hayang deui jadi pagawe tapi hayang boga pagawe, mental na alus leuwih reseup neangan peluang dina dunya usaha karakteristik generasi ieu biasana resep tantangan, hayang kabebasan jeung kreatif pisan matakn ajadi wirausaha jadi pilhan panghade na, jadi wirausaha maranehna jadi bebas berkarya ngalakukeun loba hal, dimana hal hal ieu teh anu ngahasilkeun loba mangfaat. Mangfaat na loba anu paling penting na nyaeta lamun boga usaha pasti mutuhkeun pagawe, eta teh ngurangan salah sahiji masalah nu panggede na di indonesia nyaeta nyerep pagawe jeung ngabuka lapangan pekerjaan.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "5054", "text": "Bandros, salah sahiji bus pariwisata kabanggaan warga Bandung. Sanes urang Bandung rasana mun acan pernah nyobian naek Bandros. Kamari beurang teh Anida nyobian naek bus Bandros. Anjeuna tos meser tiket ti kaanggalan. Bus Bandrosna ngaliwatan sababaraha tempat wisata di Bandung. Oge ngaliwatan tempat-tempat nu rame jeung bersejarah. Unggal tempat pasti dijelaskeun ku pemandu wisatana nu aya di hareup. Sapanjang jalan Anida merhatikeun tempat sakitar, duh meuni lengkep kieuna nya Kota Bandung teh. Bandros nu ditaekan Anida tos dugi deui ka halte tujuan akhir, tanda perjalanan tos beres. Anida langsung singset kaluar, tuluy neruskeun mesen gojek kanggo uih deui ka bumi.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "4002", "text": "Jalan jalan kulawarga jadi salah sahiji agenda penting ayeuna soalna ering loba ningali jeung ngadenge ribut antar dulu, antar kolot jeung sajabana. Lamun di tilik ieu teh akar masalahna di kurang na komunikasi, komunikasi teh penting pisan keur ngajaga persatuan antar kulawarga jeung dulur dulur. matakna Jalan jalan jeung kabeh kulawarga te penting ameh bisa komunikasi nu bener, ameh bisa deukeut, jadi na teu canggung teu eraan ameh ngke na bisa terus ngajaga silaturahmi na salawasna. Matakna sering sering ayakeun acara bareng jadieun silatturahmi antar kulawarga kuat ameh teu gamoang di pecah belah. Soalna biasana kabeh maalah datang na ti kurang na silaturahmi jadi teu ngatikeun. ", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2299", "text": "Dina ajaran Islam kitab suci anu digunakeun nyaéta Al-Qur'an anu diwangun ku 114 surah, 30 juz, jeung 6236 ayat nurutkeun riwayat Hafsh, 6262 ayat nurutkeun sajarah Ad-Dut, ogé 6214 ayat nurutkeun. kana sajarah Warsy. Ieu sababaraha runtuyan 114 surat dina Al Qur'an, nyaéta, Al Fatihah atawa Pembuka, Al Baqarah atawa Sapi, Ali Imran atawa Kulawarga Imran, An Nisa atawa Awéwé, Al Ma'idah atawa banquet, Al An'am atawa Peternakan, Al-A'raf atawa tempat nu pangluhurna, Al-Anfal atawa rampasan perang, At-Taubah atawa pangampura, Yunus atawa Nabi Yunus, Hud atawa Nabi Hud, Yusuf atawa Nabi Yusuf, Ar-Ra'd atawa Guntur, Ibrahim atawa Nabi Ibrahim, Al-Hijr atawa Gunung Al Hijr, An-Nahl atawa Lebah, Al-Isra' atawa Lalampahan Peuting, Al-Kahfi atawa Guha-Daging, Maryam, Ta Ha, Al-Anbiya, Al-Hajj, Al-Mu' minun atawa Mu'minin, An-Nur atawa Cahaya, Al-Furqan atawa Diskriminator, Asy-Syu'ara' atawa Panyair, An-Naml atawa Sireum, Al-Qasas atawa Carita, Al-'Ankabut atawa Laba-laba, Ar-Rum atawa Rum, Luqman atanapi Kulawarga Luqman, As-Sajdah atanapi Sajdah, Al-Ahzab atanapi Sekutu Saba' atanapi Sabaeans, Fatir atanapi Pencipta, sareng seueur deui.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "5728", "text": "Skipping jadi salah sahiji olahraga ringan anu bisa dilakukeun ku saha wae di mana wae. Dina perkembangan nana, ayeuna mah skipping teh dilakukeun make gerakan nu leuwih kompleks. Mun tadina ngan gerakan loncat jeung variasi silang, ayeuna mah loba pisan variasina, jadi aya nu lepas tangan sabeulah, silang dua kali, jeung sajabana. Skipping ge dinilai jadi olahraga nu babari dilakukeun sabab ngan butuh tali skipping hungkul. Komo basa wabah covid-19 mah, sabab ulah ka tempat umum, jadi loba masyarakat nu ngajadikeun olahraga skipping jadi rutinitas olahraga harianna. Gerakan dasarna nu gampang, jeung harga alatna nu murah, ngajadikeun ieu olahraga teh favorit masyarakat ti saprak covid-19 dugi ka ayeuna. Ieu jadi olahraga pilihan nu masih eksis dugi ka ayeuna.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "7133", "text": "Manuk Dadali mangrupakeun hiji conto tembang rahayat anu ngagambarkeun rasa cinta ka nagara. Dicutat tina buku Indonesia Pusaka karangan Sopan Adrianto (2020: 106), Manuk Dadali mangrupakeun gambaran Manuk Garuda anu jadi lambang nagara Indonesia. Sanajan tembang Manuk Dadali mangrupa tembang rahayat, tembang ieu kakoncara di loba wewengkon di luar Jawa Barat. Nu nulis lagu Manuk Dadali nyaeta Sambas Mangundikarta, panulis lagu anu lahir taun 1926. Harti anu aya dina tembang Manuk Dadali, nyaeta ngeunaan kagagahan manuk Garuda minangka lambang nagara Indonésia. Lirik lagu Manuk Dadali ngandung ajen katengtreman jeung persatuan, nu katingali dina rumpaka kawih “Resep ngahiji rukun sakabehna” nu hartina “Bagea ngahiji, sauyunan, pinuh nasionalisme”.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "4722", "text": "Aya sababaraha kaunggulan lamun urang milih ngamimitian boga usaha jeung jadi wirausahawan. Kauntungan nana jadi wirausaha nyaeta urang jadi ngagaduhan kasempetan pikeun ngatur pagawean urang sorangan ka asup jam gawe jeung liburan na. Urang bisa ngasah kaahlian urang jeung ningkatkeun kreativitas urang oge. Urang bisa ningali potensi urang lamun jadi pamingpin anu kudu ngatur sagala jeung tanggung jawab. Tanpa iwal, dina tungtungna urang bisa mantuan muka lapangan pagawean anu di butuhkeun pikeun masarakat. Sajaba ti eta, kauntungan jadi wirausaha nyaeta pikeun ngahasilkeun kauntungan anu leuwih gede keur kahirupan jeung tangtuna bisa dipake salaku tambahan modal atawa malah tabungan keur mangsa nu bakal datang.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1923", "text": "Jengkol, atawa dina basa Latin Archidendron pauciflorum, kapanggih di Asia Tenggara, utamana Indonésia. Tutuwuhan ieu sering dikonsumsi salaku sayuran seger atanapi semur.\nSanaos seungitna seungit, mangpaat jengkol pikeun kaséhatan sanés oléh-oléh. Ieu sababaraha di antarana:\n1. Ngalawan Radikal Bébas\nJengkol ngandung vitamin A jeung C di jerona. Dua vitamin ieu bertindak minangka antioksidan anu tiasa ngalawan radikal bébas, nyababkeun panurunan daya tahan awak, janten, ti ayeuna anjeun henteu kedah ngaraos dosa upami tuang jengkol sakedik nalika anjeun ngarasa teu sehat.\n2. Nyegah Anemia\nKandungan zat besi anu cukup loba dina jengkol mangpaat pikeun ngaronjatkeun produksi sél getih beureum. Ku kituna, konsumsi jengkol mangpaat pikeun nyegah anemia. Anémia dicirikeun ku awak anu gancang capé, sok tunduh, kulitna kusem, sareng karasa tiis dina panangan. Kaayaan ieu tiasa dihindari ku ngonsumsi tuangeun anu beunghar zat beusi, salah sahijina nyaéta jengkol.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "1599", "text": "Ulin ge bisa jadi salah sahiji cara ngaleungitkeun stres nu aya dina pikiran. Rek ulinna sorangan, atawa jeung babaturan teu masalah. Rek ngan saukur leumpang di buruan atawa naek gunung ge teu nanaon. Nu penting mah urang bisa nyeuseup udara anu seger. Malah pernah hiji waktu naek gunung sorangan da pikiran keur stres. Di sapanjang jalan teh rasa stres ngaleungit lantaran urangna oge cape jadi teu mikiran hal nu sejen salian ti hayang geura-geura nepi puncak jeung istirahat. Ceuk urang mah kagiatan anu bisa nyieun urang kesangan teh cara nu paling ampuh jang ngaleungitkeun stress. Lantaran awak teh jadi leuwih ngarespon kana rasa cape.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "7075", "text": "Unggal agama pasti boga kitab suci na masing-masing, kaasup Budha. Kitab suci sorangan nyaeta Wahyu anu ngajarkeun ajaran agama sareng kacatet dina buku pikeun dibaca ku pengikutna. Budha mikawanoh sababaraha aliran, nu kawentar nyaeta Theravada, Tantrayana, jeung Mahayana. Numutkeun buku Who Is He: Buddha Series (2000:1) karangan Gillian Stokes, aliran Theravada umumna diturutan di Thailand, Burma jeung Sri Lanka, sedengkeun aliran Tantrayana diamalkeun ku Budha di Tibet. Di Indonesia, bisa ditingali tina candi-candi peninggalan sajarah saperti Borobudur, Pawon, jeung Mendut yen penganut agama Budha harita nuturkeun aliran Mahayana. Tripitaka mangrupikeun istilah anu dianggo ku sababaraha agama Budha pikeun ngajelaskeun teks kanonik. Harti Tripitaka sorangan nyaeta tilu karanjang.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "3043", "text": "Kumargi abdi teh pengusaha alit dina widang IT, dimana hasil padamelan abdi aya dina bentuk software anu henteu katingali sacara fisik, ieu aya sababaraha sisindiran ti rerencangan sareng tatangga nalika abdi nembe ngamimitian.\n- Masih damel di Gunung Kawi, bro (*maksadna klenik*)\n- Maen game saban waktu, naha sok hareupeun komputer, teu cape\n- Eh si A ayeuna mah ngajual baju, teu hayang ngan jadi tukang dagang, misalna ngajual bakso.\n- Eh, abdi gaduh lowongan padamelan di perusahaan ieu. Gajih henteu goréng, anjeun terang\nIntina, upami anjeun nembé ngamimitian janten pengusaha dina séktor perangkat lunak, siap-siap nampi sindiran sabab anjeun sering dianggap pangangguran. Padahalmah nu ayeuna jadi jalma nu beunghar teh alatan sofware siga Bill Gates, jeung Elon Musk.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "3952", "text": "Urban Farming Center mangrupa Tempat ieu alus paranti ngajak budak didinya bisa ngajarkeun budak kumaha cara na pepelakan bisa tumbuh imimitian tina cara melak siki, perawatan pepelakan dugi ka panén. Tempat wisata ieu éndah pisan sabab dipinuhan ku rupa-rupa kembang anu warna - warni, suasana na di jieun asa di desa desa di luar negeri tepat na di eropa. Mun lempang rada kajerona deui ge aya kebon binatang mini jeung loba tatangkalan nu mereun can pernah apal. aya penjelasan na lengkep. Tapi salian ti eta tempat ieu ge cocog pisan salaku tempat poto poto, latar foto na endah jeung aya babaraha spot poto nu Instagramable loba imah imah mini gaya Éropa.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "2666", "text": "Kursus heula di driving range, Ieu ngandung harti yén anjeun kudu mimitian ti latihan nembak anjeun dina jarak nyetir lokal saméméh anjeun \"diidinan\" maén dina lapangan golf. Teu perlu repot-repot meuli set lengkep klub golf, sabab anjeun masih dina tahap bubuka jeung teu nyaho sapinuhna butuh klub katuhu nurutkeun postur awak jeung karakter stroke. Seueur rentang nyetir nyéwa tongkat golf, sareng anjeun ngan ukur kedah nyiapkeun dana khusus pikeun ieu. Anggap anjeun cicing di Jakarta, kuring bakal ngagunakeun estimasi ongkos per datangna dumasar kana Daptar Harga milik Pringgondani Driving Range kalawan rinci handap: Harga pikeun nyéwa iteuk variasina, biasana sabudeureun Rp 150.000-Rp 300.000 per batang. datangna jeung anjeun ngan butuh 1 -2 stik di awal latihan. Harga pikeun nyéwa bal di sababaraha rentang nyetir bakal rada langkung mirah upami anjeun latihan dina dinten minggu, sareng sanés dina sabtu minggu. Anu kedah diperhatoskeun nyaéta anjeun kedah latihan rutin dina jarak nyetir pikeun nguatkeun dasar téknis anjeun dina maén golf", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "8804", "text": "Cara maen sepatu roda anu bener, kahiji siapkeun heula alat-alatna, nyaeta sapatu roda, urang bisa meuli di toko olahraga atawa nyewa di tempat rental sapatu roda. Ukuranna biasana nurutkeun ukuran sapatu sakumaha biasa. Sedengkeun pikeun parabot tambahan lianna, nyaéta helm pikeun ngajaga sirah urang tina tatu, sarta pelindung siku jeung dengkul. Kadua, saluyukeun posisi awak urang. Buka suku urang rubak taktak eta, ngabengkokkeun tuur rada nepi ka handap dina posisi jongkok. Turunkeun imbit urang ka handap sareng condong rada ka hareup kalayan nyaman. Konci pikeun maen ieu teh nyaeta kasaimbangan, sarta posisi ieu bakal nyegah anjeun tina tiguling. Katilu, leumpang kawas bebek, sanggeus geus mahir kakara diajar ngageser ku nyorong hiji suku jeung ngageser jeung suku séjén. Tungtungna, diajar kumaha eureun ku mencét rem dina sapatu anu katuhu.", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "1996", "text": "Kulawarga urang ulin di pantai. Indung kuring marengan adina ulin ka keusik, ari bapa mah marengan kuring ngojay. Sanaos tiasa ngojay, kuring masih hariwang ku ombak laut, teras kuring ngajak bapak kuring ngiringan. Sanggeus ngojay, kuring balik deui ka basisir sarta diuk handapeun payung indung kuring nyéwa. Waktu éta, indung kuring keur mesen dahareun, sarta kuring nu keur kalaparan, langsung mesen sababaraha masakan favorit kuring. Dahareun dilayanan ti réstoran beachside dimana urang maréntahkeun éta pohara alus. Kalayan beuteung pinuh, kuring leumpang santai di pantai bari hurungkeun kaméra sareng nyandak sababaraha pidéo. Puas leumpang, kuring balik deui ka tempat diukna indung, bapa jeung adina. Kuring tuluy ngajak poto babarengan. Kami nyandak seueur poto sareng Pantai Kuta anu indah di latar tukang.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "1538", "text": "Keur urang mah teu kudu indit kamamana jeung pasangan teh. Nongton TV babarengan sabari mesekan koaci ge geus ngarasa bungah hate teh. Ieu liburan nu low budget, ngan saukur nyadiakeun cemilan. Mindeng nongton TV karesep arurang duaan, nyaeta acara kartun atawa acara olahraga siga badminton. Sabari nongton biasana mun urang nyadiakeun koaci, ku urang sok dipesekan heula koacina tina cangkangna, ngarah manehna tinggal am ngadahar. Ieu emang hal nu paling bucin nu ku urang lakukeun jang pasangan, ngarah pasangan teu kudu ribet mukana. Tapi dipikir-pikir mah justru mesekan koaci teh hal anu paling mengasikkan daripada urang tinggal am ngadahar mah.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "403", "text": "Ngalogat oge salah sahiji kagiatan rutin keur pasantren. Bahan anu dilogatna biasana kitab anu gundul euweuh jabar jeeran. Jadi tugasna teh ngadangukeun guru nerangkeun ku urang dilogat di tiap huruf arabna. Cara ngalogatna oge biasana ti luhur ka handap, matakan bakal katinggali renyek tulisan hideung lamun beres ngaji. Jaman urang mah masih keneh jarang nu ngalogat make pulpen teh, biasana make awi tuluy dicelupkeun kana tinta. Dina tungtung awi aya sajenis beusi atawa plastik anu nyungcung ngarah babari pas ngalogatna. Ieu ge sok dipake jang bahan kaligrafi, sabab jadi bebas ukuran tulisanana rek ipis atawa kandel. Kitab anu dilogat biasana sarua kabeh, sabab hiji materi. Beda jeung kitab anu jang ngapalkeun, eta mah sewang-sewangan boga hanca.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "2320", "text": "tahlilan nyaeta tradisi anu hade tur dihalalkeun dina agama saperti dina hadits nabi “Sing saha jalma anu nyieun perkara anyar anu hade dina Islam, maka pahalana jeung pahala jalma anu nuturkeun manehna jeung moal ngurangan saeutik tina pahalana, jeung sing saha anu nyieun perkara anyar anu goréng dina Islam, maka pikeun manéhna dosa-dosana jeung dosa-dosa jalma-jalma anu nuturkeun manéhna jeung dosa-dosana moal dikurangan saeutik saeutik” (Shahih Muslim hadits no.1017, kitu deui anu diriwayatkeun ka Shahih Ibnu. Khuzaimah, Sunan Baihaqi Alkubra, Sunan Addarimiy, Sahih Ibnu Hibban jeung réa-réa deui). Hadits ieu ngajelaskeun harti Bid'ah hasanah sareng Bid'ah dhalalah. Tengetan hadits-na, sanes anjeunna nyarankeun?, hartosna upami anjeun gaduh pendapat atanapi ide énggal anu ngajantenkeun Islam janten saé, teras lakukeun.100 taun, tapi rébuan taun bakal terus sareng kamajuan bakal muncul, modernisasi, maot para ulama, marakna maksiat, ku kituna tangtuna hal-hal anyar pasti dibutuhkeun sangkan umat Islam leuwih jagjag dina kamulyaan, nya eta wujud kasampurnaan agama ieu, anu masih keneh bisa dipake nepi ka ahir jaman, ieu hartina ayatna: \"ALYAUMA AKMALTU LAKUM DIINUKUM...\", anu hartosna \"Poe ieu Kami parantos nyampurnakeun agama anjeun pikeun anjeun, kuring parantos nyampurnakeun kanikmatan anjeun pikeun anjeun, sareng ngaberkahan Islam salaku agama anjeun\",", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "447", "text": "Khotbah ngeunaan nyiapkeun bekel amal saacan maot. Tiap makhluk anu hirup pasti ngarasakeun maot, kaasup jelema. Jadi kudu aya persiapan samemeh nyanghareupan maot. Tangtuna loba hal. Ngan sahenteuna aya tilu hal nu dibahas. Nu kahiji kudu ngalakukeun amal kasaean saikhlasna jeung samaksimalna oge kudu sampurna. Boh eta interaksi ka Allah SWT atawa ka manusa. Nu kadua nyiapkeun amal nu tuluy ngalir pahalana. Siga ngalobakeun amal jariyah, elmu nu mangpaat, sarta ngadidik anak nu sholeh nu bisa ngadoakeun urang engkena. Nu kaitlu ngadoa ngameh dibere husnul khotimah. Di antara tanda husnul khotimah nyaeta lamun ngucapkeun kalimat laa ilaaha illallaah diakhir hayatna.", "label": 3, "label_text": "religion"} +{"id": "4007", "text": "Ieu novel anu judulna A+ alus pisan jeung nagih keur di baca tutuluyan, caritana unik jeung matak pikabitaeun resep pisan maca na nepi ka sok poho kana waktu. Carita na nyaritakeun sakelompok rumaja anu ngalawan sistem ranking paralel di sakolana SMA BINA INDONESIA. Tokoh jeung karakter ogé bisa patali jeung kahirupan nyata. Tokoh tokoh na nyaeta aya Re Digantara, Keenan Aditya. Kalypso Dirgantara, Adinda Aletheia sareng Aurora Calista. Unggal karakter saimbang sareng gaduh carita latar anu beda-beda jeung sarua berat na. konflikna oge rupa rupa, ti konplik nu sapele nepi ka konflik nu berat, ti nu carita cinta cintaan nepi ka drama keluarga nu mengerikan. Eusi caritana ogé tegang, loba plot twists anu teu disangka-sangka.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "3550", "text": "Dana darurat teh ibarat ban serep, bayangkeun mun urang keur nyupiran di wewengkon Antasari ujug-ujug ban mobil peupeus tengah peuting. Hiji-hijina jalan pikeun ngaganti ban anyar nyaéta pikeun urang turun sareng nyandak ban tina kalapa sareng ngagentosna pas-gancang teras urang tiasa angkat. Éta konsép dana darurat.\r\n\r\nDana darurat penting pisan. Naha? sabab urang henteu terang iraha badai bakal datang ka urang. Poé ieu cerah euh ujug-ujug hujan euh ujug-ujug cerah deui. Isukan badai ngadadak. Dana darurat penting pikeun urang sadayana.\r\n\r\nKumaha anjeun sadar dana darurat?\r\n\r\nTingali, upami urang masih lajang, teu acan nikah sareng gaduh panghasilan anu cekap, urang kedah nyisihkeun 5-20% tina penghasilan urang janten dana darurat. Contona, upami panghasilan padamelan urang 5 juta, maka dana darurat anu urang bangun kedah tiasa ngadukung urang salami 6 bulan ka hareup sareng dana anu kedah dikumpulkeun sahenteuna 60 juta. 60 juta bakal dianggo upami urang iraha waé kapangaruhan ku PHK atanapi aya krisis ékonomi atanapi wabah sapertos COVID-19 ieu.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "6108", "text": " Basa saban Covid-19 mah abdi teh damelna WFH sabab sasuai jeung protokol kesehatan. Abdi biasana sok gawe di kamar wae sapopoe. Biasana abdi sok hudang samemeh subuh. Tuluy langsung ngalaksanakeun sholat subuh. Geus beres sholat subuh teh langsung olahraga di buruan imah. Biasana sok olahraga push up, sit up, plank, jeung sajabana. Geus beres olahraga teh tuluy mandi supaya seger. Geus beres mandi teh tuluy sarapan sangu. Geus kitu teh tuluy nyiapkeun perangkat elektronik jang mulai digawe. Digawena teh sok lewat google workspace jeung zoom. Digawena teh ti jam dalapan nepi ka jam lima sore, break na jam dua belas nepi ka jam satu.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "9044", "text": "Sisi négatip tina damel di kantor anu kadua nyaéta kahirupan anu monoton sareng statik. Kalayan padamelan sareng tanggung jawab anu sami, kahirupan anjeun di tempat kerja bakal statik sareng pinuh ku rutinitas anu sami unggal dintenna. Utamana lamun jarak antara imah anjeun jeung kantor teh jauh, anjeun hudang isuk-isuk sarta siap-siap, teras naek kareta jeung nuluykeun sarta digawé. Saatos éta, anjeun ngamimitian muka padamelan anjeun sareng teraskeun damel dugi ka dugi ka bumi. Kusabab kitu, pagawean kantor teh rada hese dilakukeun, anjeun kudu pinter-pinter pisan neangan jalan jeung lolongkrang sangkan teu bosen. Contona, ku nyieun kaulinan leutik jeung babaturan di kantor anjeun salila reses, atawa nyieun acara emam bareng unggal minggu.", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "8860", "text": "Kunaon leptop leuwih dipikaresep tibatan komputer? Alesan anu utama nyaeta sabab leptop leuwih praktis tur gampang dibawa kamana-mana. Urang bisa ngerjakeun tugas atawa pagawean dimana wae, di kampus, di kafe, di kantor atawa di tempat-tempat umum sejenna. Kaduana, daya listrik nu dibutuhkeun pikeun ngahurungkeun laptop leuwih leutik dibandingkeun komputer anu listrikna kudu nyambung wae jeung sumberna. Kusabab kitu, daya anu digunakan ku laptop leuwih hemat tinimbang komputer. Sajabana ti eta, laptop dina mangsa ayeuna hargana teu pati mahal jiga baheula. Hargana relatif murah tur kahontal ku sakumna kalangan anu biasa gawe ngagunakeun alat-alat saperti kitu. Ku alesan- alesan eta ngajadikeun laptop leuwih loba dipilih ku para pagawe.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "2429", "text": "Bapa abdi asli Pekalongan, janten minimal urang ka Pekalongan sakali/dua kali sataun kalebet lebaran. Sabenerna mah kuring mah hobi kuliner. Tapi aya sababaraha tempat tuang anu kuring pikir saé (tangtu rujukan ti kulawarga)\nSoto Tauto Pekalongan. Kadaharan ieu mangrupa campuran dua budaya (India jeung Cina). Tauto asalna tina Caudo (sup kuliner Cina sareng bumbu India Tauco. Bahan dasar saos Tauto nyaéta kedelé sareng rempah-rempah sanés. Jigana éta rada lada sareng ogé berminyak. Biasana dilayanan nganggo bihun bodas sareng potongan daging (sababaraha ari hayam oge).Biasana sop ieu didahar jeung lontong/sangu (kuring leuwih resep make lontong) atawa bisa dicampur bakso. Leuwih hade didahar jeung gorengan oge :)", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8686", "text": "Aya hiji wanoja nu ngaranna Maya ngarasa stres pisan alatan tungtutan gawe jeung masalah kulawarga. Manehna ngarasa kawas dunya ambruk jeung manehna teu nyaho naon nu kudu. Hiji poe, Maya mutuskeun ngalakukeun hiji hal pikeun ngaleungitkeun setresna. Anjeunna mutuskeun pikeun nyobian yoga, hal anu anjeunna hoyong nyobian tapi henteu kantos ngagaduhan kasempetan. Maya milarian kelas yoga online sareng mendakan anu cocog pikeun pamula. Anjeunna nyiapkeun mat yoga sareng ngamimitian kelasna. Anjeunna nuturkeun gerakan yoga lalaunan sareng fokus kana napasna. Nalika gerakan yoga dipirig ku musik santai, Maya ngarasa yen anjeunna laun tenang. Anjeunna poho ngeunaan masalah sarta fokus kana gerakan sarta engapan. Sanggeus rengse kelas yoga, Maya ngarasa leuwih rileks jeung tenang ti samemehna.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1580", "text": "Ceuk urang, hubungan teh kudu dijaga, boh eta ka babaturan deukeut atawa babaturan jauh. Sabab urang moal apal kahareupna 5 taun atawa 10 taun, bisa wae urang ngabutuhkeun manehanana. Lamun hubunganna terjaga mah urang moal sungkan mun menta tulung ka manehanana, beda lamun manehna geus nyeuri hate, lainna ditulungan nu aya mah urang nu bakal mupuas. Komunikasi oge kudu dijaga, mun pajauh oge sahenteuna urang boga kontak manehanana. Sanajan sakola misalkeun geus beres, tapi hubungan pertemanan mah pan teu nepi lulus hungkul? Soalna mun henteu kulawarga, saha deui nu bakal mantuan urang salian ti babaturan nu wanoheun ka urang mah?", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "1147", "text": "Dina kasus nu enggeus-enggeus urang bangkrut wirausaha teh, ieu penyebabna sabab loba nu ngahutang jeung teu malayar. Contona wae urang pas jualan pulsa, omat pisan mun bisa mah ulah nganjukeun, lantaran urang sorangan nu bakal katempuhan nu tungtungna usaha jadi teu berkembang sabab modalna aya ti batur. Jeung mibogaan catatan teh kalintang penting pisan, jang nyatetkeun saha wae nu ngahutang. Lantaran urang harita can sadar, jadi nu ngahutang teh diinget-inget hungkul dina pikiran, padahal pan pikiran mah aya pohona. Anu tungtungna mah urang poho, nu ngahutang oge komo poho. Alhasil wirausaha nu kurang wangun ti semester hiji keneh beak sabab loba nu ngahutang teu malayar. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "4520", "text": "Dina pertadingan bola voli aya sababaraha peraturaan pikeun ngajaga pertandingan aman jeung kondusif ,Aturan-aturan ieu didamel supados kaulinan lumangsung sacara sportif sareng lancar. Ieu sarua jeung olahraga voli. Bola voli aya sababaraha aturan di jerona diantarana aturan alat, aturan kaulinan, aturan palanggaran, jeung sajabana. Dina sistem atawa pergantian paaen, substitusi pamaén dina voli boga aturan béda ti dina maén bal. Dina maén bal, substitusi di lapangan diwatesan. Tapi pikeun voli, substitusi henteu aya tungtungna. Aranjeunna tiasa silih ganti sakumaha anu dipikahoyong ku palatih. Panggantian pamaén tiasa dilakukeun nalika pertandingan dimimitian. Dina sistem olahraga voli, hiji tim diwangun ku 10 urang. Ngan 6 ti 10 pamaén tim anu pamaén utama atawa inti. 6 pamaén utama ieu bakal jadi pamaén lapangan jeung 4 pamaén sésana bakal jadi pamaén gaganti. ", "label": 1, "label_text": "sports"} +{"id": "9340", "text": "Loba hubungan jeung babaturan teh lumangsung salaku hasil tina silih butuh antara hiji jalma jeung lianna, sarta dumasar kana kauntungan anu bakal dimeunangkeun ngaliwatan duanana pihak anu nyieun babaturan. Tapi, hal-hal henteu salawasna jalan sakumaha anu dipikahoyong. Sabab sakapeung sok aya kénéh babaturan anu sabenerna ngarugikeun urang, boh tina segi materi boh tina segi élmu. Kusabab kitu urang kudu intropeksi diri sangkan ulah jadi babaturan anu ngarugikeun batur. Saatos hubungan saling butuh rengse, urang ogé kedah ngajaga komunikasi anu saé jeung babaturan urang. Tong jadi babaturan anu bakal datang ngan kusabab aya kabutuhna hungkul, bisa jadi maranehna bakal teu resep ka urang engké.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "4260", "text": "Tokoh adat biasana boga pangaruh jeung pangaweruh gede di daerah suku na, Jelema anu di pilih jadi tokoh ada ngabogaan wibawa leuwih di hareupeun wargana. Warga bisa percaya jeung milu kana ajakan tokoh adatna, sabab tokoh adat di pandang jelema anu pinter anu apal sgala tentang adat jeung pastina hayang ngamajukeun darah atawa adatna. Saperti misalna urang rek ngayakeun KKN atawa bakti sosial di suku atawa daerah tartangtu, pasti urang menta ijin na ka tetu atawa tokohh adat di tempat eta. Pangaruh tokoh adat ieu gede pisan wargana bisa tinggal milu jeung nanaon oge kaputusan anu di cokot ku tokoh adat, jadi tokoh adat kudu bener bener jalema anu paduli ka suku atawa daerahna.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "3080", "text": "Urang kedah terang, master, sadaya pola, intrik, sareng tantangan anu aya dina bisnis online, sabab ieu penting pisan sateuacan gaduh produk anjeun nyalira. Éta saé upami anjeun hoyong & tékad pikeun fokus kana dunya online. Sabab ti saprak Corona jeung PPKM pola pikir masarakat geus robah. Loba nu mimiti bener-bener merhatikeun promosi & perluasan jangjang bisnis di alam maya. Saha anu terang, di luar sana anjeun terang yén aya titik nyeri (kabutuhan jalma anu teu acan kacumponan ku rupa-rupa produk anu aya ayeuna) sareng anjeun mendakan produk anu janten solusi pikeun ngajawab kabutuhan ieu. Ieu disebatkeun ku usaha online anu suksés salaku sababaraha aspék penting sateuacan ngamimitian bisnis online", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1623", "text": "Masarakat desa umumna mah aya ti hiji atawa sababaraha dulur hungkul, jadina pola hirup jeung paripolah atawa kabudayaanna oge sok sarua. Ku sabab kitu hirup di desa biasana karasa tengtrem aman jeung tenang. Hal ieu ku sabab poa pikir, pola sikap jeung pola pandangan anu sarua ti unggal wargana dina nyanghareupan hiji masalah. Kebersamaan, kasederhanaan jeung kaserasian sok ngajiwai unggal warga masarakat desa eta. Dina masarakat desa biasana hubungan kulawarga dilakukeun sacara musawarah. Mimiti ti masalah-masalah anu umum nepikeun masalah pribadi. Anggota masarakat hiji jeung nu sejenna silih wanoh sacara intim. Dina masarakat desa masalah kebersamaan jeung gotong royong diutamakeun pisan, sanajan sacara materi kakurangan pisan atawa teu ngajangjikeun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "942", "text": "Aya sababaraha jenis mesin cuci nu digunakeun di imah, tangtuna mibogaan kaleuwihan jeung kakurangan. Salah sahiji mesin cuci nyaeta anu hiji tabung, mesin cuci ieu oge mibogaan dua bentuk nu beda dina cara ngasupkeun pakean, aya nu di hareup aya oge anu di luhur. Tabungna biasana dijieun tina stainles steel, ukuranna leuwih gede tibatan mesin cuci dua tabung, hal ieu lantaran mibogaan fungsi ganda nyaeta nyeuseuh jeung ngagaringkeun sacara otomatis, jadina leuwih hemat waktu jeung tanaga. Mesin cuci hiji tabung biasana aya tombol jang muterkeun di sisi katuhu hiji, jeung di sisi kenca hiji. Bentukna anu kotak teu meakeun space pas diteundeun, teu kawas anu dua tabung anu ukuranna leuwih gede.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "3970", "text": "Calathea Homestay nyaeta salah sahiji hotel penginapan wangunan sagemblengna anyar. Kamarna lega, tiasa kanggo 5 jalmi. Sadayana dilengkepan TV LCD, kipas angin sareng kamar mandi pribadi. Aya ogé dapur umum. Kalayan harga anu lumayan murah. sanajan hargana murah tapi teu murah, Calathea Homstay boga fasilitas alus, ti fasilitas di kamar nepi ka rental mobil + supir wungkul. Supirna urang Jogja ramah anu terang jalanna. Jieun liburan anjeun langkung nyaman sareng bébas angkat ka mana waé. Harga sewa murah, nyéwa mobil dipercaya sareng seueur ulasan anu positif. homestay calathea ogé caket sareng sababaraha tempat wisata sapertos 2 menit ka Alun-alun Kidul, 5 menit ka Taman Sari, 5 menit ka Kraton Yogyakarta ,5 menit ka Puseur Kota Yogyakarta , 6 menit ka Smart Park, 11 menit ka Bingah Loka. 11 menit ka Malioboro, 13 menit ka Tugu Jogja, 17 menit ka Rainbow Park, 30 menit ka Candi Prambanan ,34 menit ka Breccia Cliffs ,40 menit ka Pantai Parangtritis, 50 menit ka Taman Merapi\n60 menit ka Kaliuran.", "label": 2, "label_text": "leisures"} +{"id": "5431", "text": "Rumah Honai nyaeta rumah adat khas Papua nu disebut paling minimalis di antara rumah adat nu aya di Indonesia. Rumah Honai mimiti dijieunna teh kudu ngayakeun tradisi bakar batu dina raaga manggil duduluran supaya ngabantuan proses nyieun imah. Geus kitu, ka gede jang nopang suhunan teh ditancepkeun kana taneuh nu dialasan nu batu datar, ditanceupkeun na kudu sing jero supaya kokoh. Tos kitu, dijieun kai runcing dua sisi jeung ditanceupkeun ka taneuh, tuluy dirangkai ngabentuk dinding nu masing-masingna ditalian ku injuk. Bees nyieun dinding, tinggal nyieun suhunanna tina kai nu ditutupan ku dan alang-alang. Proses pembangunanna teu make paku pisan, ngan ngandalkeun bahan alami kabeh tina injuk jeung ngahijikeun nana. Mun rumah Honai geus jadi, diayakeun deui tradisi bakar batu sebagai bentuk syukuran.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "8140", "text": "Robot vacuum Mi 2 Lite teh tiasa dioperasikeun liwat aplikasi. Cara nyambungkuen ieu robot sareng aplikasi gampil pisan. Kahiji urang kudu download heula aplikasi Mi Home teras login upami tos gaduh akun Mi Home nanging upami teu acan tiasa daftar heula. Kadua urang hurungkeun robot vacuum Mi 2 Lite. Deketkeun hp ka robot vacuumna teras hurungkeun bluetooth sareng wifi pikeun tiasa nyambung sareng ieu robot. Saatos koneksi antara hp sareng robot vacuumna salse, urang kudu nyambungkeun robot ieu ka wifi. Upami tos kasambung robot vacuum Mi 2 lite ieu bakal ngalakukeun koneksi sareng setting otomatis. Antosan sababaraha waktos nika keun prosesna salse.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "6663", "text": "Aci digemol atawa cimol janten cemileun anu pas kanggo nahan lapar. Aya hiji tukang cimol di Jatinangor anu rasa cimolna beda jeung nu sanes, hargana mirah pisan tapi cimolna baradag jeung jerona kopong. Cimol paling ngeunah make bumbu bawang dicampu asin jung lada sakedik. Emang tukang jualan cimol tasik ieu biasa mangkal na di pengkolan. Abdi mineng meser cimol ka si emang, komo mun pas tinggal sakedik deui icalanna sok dipasihan leuwih, padahal abdi biasana ngan meser lima rebu tapi pasti wareg pisan. Jaman ayeuna mah seeur cimol anu dikreasikeun rupi-rupi, aya nu di isi keju, aya oge nu didamel cimol bojot.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "4664", "text": "Dunya maya teu asing kana istilah Metaverse. Platform digital ieu nyayogikeun rupa-rupa hiburan, bisnis sareng jasa pendidikan anu tiasa diaksés ti mana waé sareng ku saha waé. Henteu ngan dipaké dina skala global, Indonesia sorangan geus mimiti adaptasi téhnologi Metaverse ieu. Salaku inovasi kanyataanana virtual naek di Indonésia, aya loba conto ngeunaan ngembangkeun Metaverse di Indonésia. Bank BRI ngaklaim minangka bank Indonésia munggaran anu asup kana ékosistem Metaverse. Engké, konsumén bisa ngalaman jasa perbankan dina cara leuwih nyata. Metaverse di Indonésia ogé nyanghareupan sababaraha tantangan. Nyiptakeun Metaverse anu optimal ngabutuhkeun crypto, blockchain, dukungan NFT. Leuwih ti éta, pamekaran augmented reality sareng virtual reality ogé masih kedah dironjatkeun. Pangembangan Metaverse ogé ngandelkeun jaringan 5G anu kuat. Targetna, Kemenkominfo bakal nerapkeun jaringan 5G genap di Indonésia ti taun 2024 nepi ka 2025. Dina hal ieu, pamaréntah sacara agrésif ngawangun ékosistem 5G di Indonésia.", "label": 6, "label_text": "technology"} +{"id": "7994", "text": "Patuangeun nu ngeunah, gampil, tur mirah di Indonesia nyaeta mie instan. Seueur na rasa-rasa nu disayogikeun produsen mie instan ngajadikeun konsumen atawa masarakat teu bosen-bosen ngadahar patuangeun ieu. Nanging, patuangeun ieu dicarioskeun mere efek goreng ka awak. Kusabab cenah lamun loba teuing ngadahar mie instan tiasa nyieun beuteung beugah. Mie nu dipake di na patuangeun ieu oge disebat-sebat lila dicerna. Nanging nu sebenerna bahaya ka na awak teh nyaeta kandungan natrium anu luhur di na mie instan. Natrium teh tos kauji tiasa ngakibatkeun darah tinggi mun loba teuing didahar ngaleuwihan batas harian konsumsi. Salian eta mah, mie instan teh aman didahar tur ditambih oge kandungan karbohidrat sareng protein nu lumayan loba di na mie instan.", "label": 0, "label_text": "food & beverages"} +{"id": "7206", "text": "Tahu Gejrot kadaharan tradisional anu asalna ti Cirebon, Jawa Barat. Kadaharan ieu diwangun ku tahu anu dipotong-potong leutik, dikulub dina santan anu seungitna gurih sareng amis. Tahu anu dijieun tahu gejrot biasana mangrupakeun tahu cokelat anu atawa tahu Sumedang. Tahu gejrot biasana disuguhkeun ku sambel anu dijieun tina cabe, bawang beureum, bawang bodas, uyah, gula jeung jeruk nipis. Sambel ieu ngajadikeun tahu gejrot rasa lada jeung gurih. Salian ti eta, tahu gejrot oge biasana disuguhan ku daun bawang jeung kurupuk. Kadaharan ieu biasana disajikeun pikeun tuangeun ringan atanapi jajan. Tahu gejrot biasana diical make gendongan, tapi ayeuna mah aya oge anu jualan make sapedah.", "label": 4, "label_text": "culture & heritage"} +{"id": "7622", "text": "Pangusaha oge kedah janten jalmi anu gaduh harepan jeung tujuan kahareup. Manehna kedah boga pandangan anu salengkah leuwih maju kanggo ningal kasempetan di hareupeunna janten manehna tiasa ngabayangkeun rencana bisnis anu sae di hareup. Manehna oge kedah tiasa ngajadikeun kagagalan anu pernah dialaman di jaman baheula janten palajaran jeung teu seeur teuing ngungkit-ngungkit kakurangan manehna. Pangusaha kedah percaya diri, kedah percaya ka dirina sorangan yen bisnisna bakal sukses. Percaya diri oge ngajadikeun urang leuwih sumanget dina ngajalankeun bisnis. Anu teu eleh pentingna kanggo pangusaha nyeta kedah mentingkeun hasil, lamun urang boga kahayang anu gede, pasti tiasa meunang hasil anu badag oge. ", "label": 7, "label_text": "business"} +{"id": "1626", "text": "Naek angkot teh babari bisa di mana wae da euweuh haltena. Bisa cicing di sisi jalan tinggal nungguan angkot nu ngaliwat. Mun aya angkot nu ngaliwat urang kari mere gestur ku leungeun katuhu bari turun naek leungeunna. Ieu teh nandakeun urang rek naek angkot eta. Geus asup urang kari diuk, jeung merhatikeun jalan bisina tujuan urang kaliwat. Usahakeun mah duit mayar angkot teh ngepas ngarah teu kudu nungguan pamulangan di si emang angkotna. Samemeh turun urang bisa nyebutkeun \"kiri\" ka si emang angkot, mun diuk urang bagian tukang, sebutkeunna rada tarik ngarah ka dengeeun. Ulah poho ngomong hatur nuhun pas geus turun.", "label": 5, "label_text": "slice of life"} +{"id": "2735", "text": "Upami Ceuli anjeun ngarasa asing kana kaulinan anu disebut Total War, maka anjeun sanés kipas tina kaulinan perang anu leres soalna misalkan anjeun nyaho mobile legend nu genre na Real Time Strategi tapi heunte nyaho Shogun mah kabina-bina . Séri kaulinan ieu anu ngahartikeun perang total sareng sadaya-kaluar mangrupikeun \"subyek\" wajib pikeun pamaén tegar anu resep strategi. Sagalana ngeunaan kaulinan ieu dijieun sacara serius, ti manajemén régional, pamaréntah, pemberontakan, pulitik, téhnologi, nepi ka medan perang dimana jumlah pasukan bisa ngadeukeutan rébuan jalma! Shogun 2 neruskeun tradisi lila-diayakeun tina séri kaulinan kalayan sababaraha perbaikan nu urang pikir ngalengkepan runtuyan Total War.", "label": 6, "label_text": "technology"}