diff --git "a/train/sun.jsonl" "b/train/sun.jsonl" new file mode 100644--- /dev/null +++ "b/train/sun.jsonl" @@ -0,0 +1,2398 @@ +{"id": "8446", "text": "Sapertosna kabeh jalma tangtoas bakal ngaras geuleuh upami ningali hiji imah nu pinuh ku serangga. Hiji serangga nu katempo ku panon urang ge tos tiasa nyieun bulu kuduuk urang merinding kusabab komo deui ieu serangga nu minuhan hiji imah tangtos we geuleuhna ampun-ampunan. Ditambih deui serangga teh sato nu tiasa mawa panyakit ka awak manusa tur aya oge serangga nu tiasa ngegel tur nyebabkeun geuring ka awak urang. Geuleuh pisan pokokna mah. Serangga-serangga sapertos kecoa, hileud, laba-laba tangtos dihindarkeun pisan ku kabeh jalma. Kusabab sato-sato eta teh kasohor tiasa mawa panyakit, kokotor, tur bahaya. Jnaten wajar we upai jalma geuleuh ningali imah nu pinuh ku serangga.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2606", "text": "Naha rasis sok ngaku teu rasis?\nAya sababaraha waleran kana ieu. Ieu sahenteuna salah sahiji ieu:\n\nAranjeunna ningali dirina salaku pahlawan carita, sareng henteu ningali diri sapertos kitu.\nKusabab aranjeunna parantos ngarobih definisi pikeun ngabersihan diri tina kalakuan anu salah.\nÉta saleresna henteu sareng jalma anu nuduh aranjeunna IS.\nÉmut yén rasis sanés mangrupikeun jalma anu ngagorowok ecean ras sareng ngarawat ras anu sanés kalayan hina…\n\n...kadang-kadang éta lalaki anu nawiskeun janten juara pikeun rasna paling alus sanés sabab anjeunna ngangkat dirina sapertos kitu tanpa dukunganna….\n\n... atanapi jalma anu badé nyobian labél naon waé anu aranjeunna henteu satuju salaku rasis, nalika aranjeunna nyalira ngadamel sadayana ngeunaan ras.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8211", "text": "Minggu kamari pisan aya kacilakaan di jalan Surya Kencana. kacilakaanna teh pas pisan hareupeun Odang nu keur mawa motor. Kacilakaanna ngalibatkeun mobil fortuner sareng sopir truk. Odang yakin pisan upami kacilkaan ieu disebabkeun kusabab mobil fortuner ngalanggar lampu beureum janten katabrak ku truk ti arah kulon. Tadina Odang rek eren ngabantosan kacilakaan, nanging sawaktos ningali plat mobil fortunerna Odang ngurungkeun niatna. Odang teu janten ngabantos kusabab nu mawa mobil fortuner teh ti kepolisian katempo ti plat mobilna. Odang tos apal upami ieu bakal janten kasalahan sopir truk kusabab penyebab kacilakaanna anggota polisi. Odang sieun janten saksi kusabab embung kababawa masalahna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6275", "text": "Kotoran sato teh bisa jadi bahan dasar pupuk organik nu alus jang pertumbuhan tanaman. Tah sato ternak nu biasa diarah kotoranna jang nyieun pupuk organik teh nyaeta kahiji satu domba. Tai domba dianggap alus pisan jang bahan dasar nyieun pupuk organik sabab bisa nyieun subur kana tanaman nu dipupukan. Nu kadua nyaeta sapi. Salian domba, sapi ge sok diarah kotoranna supaya bisa dijadikeun pupuk. Malahan mah kotoran sapi teh sok dimangpaatkeun oge jadi bahan biogas. Nu katilu nyaeta hayam. Biasana tai hayam teh sok dimangpaatkeun jadi pupuk organik. Kadang mah sok langsung diawurkeun ka sawah atawa ka kebon, teu make proses pembusukan heula.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5647", "text": "Basa subuh keneh, abdi nuju mapah uih ti masjid tos ngalaksanakeun sholat subuh berjamaah. Abdi mapah nyalira sabab teu aya batur nu uihna sajalur jeung abdi. Abdi leuleumpangan bari ngahirup udara nu seger poek-poek. Pas nuju mapah, jol aya pamuda duaan make motor pas gigireun abdi teh neunggeul kana leungeun. Abdi langsung ngudupruk sisi jalan sabab nu neunggeulna bari make motor tarik pisan. Jalma na teh samotor duaan make motor beat, maku baju harideung jeung buukna pirang dua nana. Geus neunggeul teh tuluy nyerenteng tarik make motorna. Abdi meuni kesel pisan euweuh sabab jadi kateunggeul jalma mabok wayah janari keneh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2938", "text": "Sabab jarumna seukeut pisan. Nalika jarum diasupkeun kana awak urang ngaliwatan kulit, éta bakal ngarasa nyeri. Jarum suntik gampang nembus kulit, otot, sareng pembuluh darah. Ieu naon ngajadikeun jalma sieun jarum. Lamun disebutkeun yen suntik teu nyeri, éta teu bener. Sabab disuntik pasti bakal karasa nyeri.\nTapi aya anu pikaresepeun ngeunaan jarum suntik ieu. Jarum suntik dirancang ku cara anu seukeut pisan. Ieu boga tujuan pikeun ngurangan nyeri nalika jarum dipaké nalika nyuntik. Upami jarumna tumpul, nalika disuntik bakal langkung nyeri tibatan nganggo jarum anu seukeut. Ngagunakeun jarum seukeut ogé ngajadikeun tatu suntik jadi leutik mungkin, sahingga tatu bisa leungit sarta teu katempo deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5617", "text": "Pas abdi meser sambal bakar, antrean na teh dipasihan ku nomor. Tapi, dina nyandak nomor na oge kedah ngantre deuihan. Basa antre rek nyandak nomor, abdi kengingna sakira satengah jam. Tuluy geus kitu ngantre deui jang milihan menuna. Pas ngantre jang milihan menu, ngantre na lila pisan sabab barieukeun meureunan milihan menuna. Eh jol we aya ibu-ibu nu nyorobot payuneun abdi pisan. Ku abdi teh dipiwarang ngantri, eh kalah ngotor bari ngomong yen anjeunna geus nyokot anttean tiheula jeung nomor na ge hareipeun abdi. Pas ditingali teh enya we bener. Ku abdi ditenbal we, mun hoyong tiheula nya kudu nempatan antrean na, ulab ngaleungit heula. Abdi meuni geus jengkel pisan hayang nyoroscos tapi teu jadi da isin.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5650", "text": "Tilu ciri pasangan anu sok maen kasar atawa wani neunggeul. Nu kahiji nyaeta babarian ngambek. Mun aya masalah sepele ge sok dijieun jadi gede, malahan nepi ka ngambekna teu kakontrol. Mun ngambek ge sok tara ningali tempat. Nu kadua nyaeta wani nyarekan hareupeun batur atawa di tempat umum. Tah mun aya pasangan nu kieu teh mending langsung we tinggalkeun sabab geus ngarendahkeun martabat urang jeung ngera-ngera di tempat umum. Nu katilu nyaeta mun keur ngambek teh wani maen tangan ka urang. Bahkan teu segan jang neunggeul kana awak urang. Sabab manehna ngarasa dipikasieun, jadi manehna sangeunahna ngalakukeun naon wae ka urang. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9017", "text": "Ti kawit kuliah mah jarang panggih jeung kulawarga, sabab jauh ti imah jeung kolot, jadi kudu bisa sorangan. Sanajan kitu, untung kuring geus biasa ngalakukeun loba hal sorangan. Tapi aya hiji hal nu paling hese keur kuring, nyaeta mun peuting kuring kudu sare sorangan di tempat anyar jeung kuring hese adaptasi jeung tempat kos jeung lingkunganna oge. Saban peuting nalika kuring saré, kuring sok ngabayangkeun hal-hal anu pikasieuneun anu biasana kuring henteu nyangka, dugi ka hiji wengi kuring hudang pedah ku ngimpi serem sareng kuring henteu bobo dugi ka subuh. Saprak harita, unggal rék saré, kuring sok ngageroan indung nepi ka saré, tuluy ngahurungkeun al-Qur’an nu murratal ngarasa tenang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3286", "text": "Sakali, lila saméméh pandémik narajang, kajadian di jalan jeung nalika eureun di lampu beureum Rindam Condet. Jalma jeung motor Yamaha matic \"abu-abu\" katingalina buru-buru da gara-gara motorna mah leuwih ramping, meureun mun slalom antar mobil mah motorna leuwih lincah jeung sababaraha kali kuring motongna alus (teu gagabah/gagabah), teu nyaho naon anu diomongkeun sabab. tina jams lalulintas éta ribut, jeung kaayaan kaca helm kuring ditutup, kitu ogé bapa, Kuring ukur bisa ningali sapuan awakna kalawan gerakan leungeun dina gaya ngagentos calcio (liga Italia) pamuter, anjeunna katingali emosi sarta overflowed. niat nyiduh, sigana gara-gara kaca helm ditutup, kuring nempo ciduh atawa ciduh na nempel dina helm, jeung jelas katempo gerak slow nu netes lalaunan,", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2224", "text": "Dumasar data statistik pikeun 2015, aya kira-kira 350 rébu pasangan kulawarga cerai. Tapi dina taun 2021, talak di Indonésia geus ngaronjat nepi ka 580 rébu. Jadi aya 580 rébu (kulawarga) broken home. Aya ogé murangkalih ti kulawarga anu tungtungna kirang perhatian kusabab kolotna kedah papisah. Ku kituna, anjeunna negeskeun yén nagara perlu ngabantu unggal individu masarakat pikeun ngawangun kulawarga anu berkualitas dina raraga ngawujudkeun generasi ngora anu unggul tur maju. Kumaha cara na yen ngurangan eta te bakal ditunggu pisan ku anak korban kolot nu cerai kumargi loba kasusah jeung nestapa nalika ngengetan keur baheula kolot na cerai kumargi eta hal nu bisa di atasi ku hal nu geus di canangkeun ku garis gede aturan nagara yen pasangan nu rek nikah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7822", "text": "Biasana lamun aya sesa dahareun anu masih keneh tiasa diemam, abdi sok nyimpen dina kulkas, lebar lamun langsung dipiceun mah, bisi aya nu hoyong ngaemam. Komo lamun ngeunah keneh mah. Tapi kadang-kadang oge abdi sok poho yen abdi teh tos nyimpen dahareun di kulkas, tungtungna mah buruk weh dina kulkas teh, jadi geuleuh, teu hayang ngadahar na oge. Boro-boro ngadahar, ngaberesihan na oge rujit. Abdi pernah nyimpen sesa cangkang udang ka kulkas, tadina mah rek dijieun kaldu , tapi lantaran poho jadi we bau hanyir dina kulkas. Lantaran bau na teu kira-kira, nepikeun ka dahareun anu sanesna, abdi langsung ngaberesihan kulkas. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5186", "text": "Basa aya Bapak Erick Tohir jadi pembicara di salah sahiji acara nu diayakeun Unpad, abdi kabeneran jadi salah sahiji petugas jaga keamanan nana. Eta acara teh berlangsungna ngan tilu jam, tapi pesertana luar biasa loba pisan, aya kana lima ratus peserta mah. Kaayaan di luar gedung na ge rame pisan ku sababaraha instansi jeung jurnalis nu ngaliput. Di hareupeun panto aula gedung aya jurnalis nu ngaliput acara. Suasana di jero gedung na oge rame ku mahasiswa jeung pagawe BUMN. Pesertana aya sakira lima ratus orang mah. Nu jadi tamu na nyaeta Bu Rektor Unpad, Walikota Bandung, jeung Pak Menteri BUMN. Peserta nu hadir kenging tapcash sanilai saratus rebu jeung aya oge nu kenging hapers kangge nu wantun naros pas pematerian. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8260", "text": "Sawaktos mobil urang remna blong urang teh ulah panik. Panik teh tiasa nyieun urang ngalakukeun perkawis-perkawis nu teu logis tur nyilakakeun urang. Sabalikna urang kudu kalem tur mikir jernih kumaha carana ngerenkeun ieu mobil nika keun salamet tur teu nyilakakeun batur. Aya babaraha langkah nu tiasa diterapkeun upami rem mobil urang blong. Kahiji, turunkeun gigi mobil sagancang mungkin ti mulai gigi lima, opat, tilu, dua, hiji tur jauhkeun suku urang ti pedal gas. Kadua, saatos nurunkeun gigi urang tiasa nganggo rem leungeun. Rem leungeun tiasa ngerenkeun mobil nikakeun bener-bener eren dina kacepetan nu laun. Katilu, arahkeun mobil urang ka bahu jalan. Ngarahkeun mobil ka bahu jalan teh pikeun ngahindarkeun kacilakaan sareng mobil nu sejen. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2882", "text": "Cara ningali hantu ku mata taranjang tiasa dilakukeun nganggo sababaraha cara. Hantu nyaéta mahluk anu teu katingali anu hésé pisan katingali ku mata taranjang. Éta sabab hantu hirup di dunya séjén anu béda ti dunya manusa.\r\n1. Cukur Halis nepi ka Tungtung\r\nCara séjén pikeun ningali hantu nyaéta nyukur alis lengkep. Pikeun jalma anu hoyong ningali kumaha rupa tuyul atanapi hantu anu resep maling, aranjeunna tiasa ngalakukeun ieu ku nyukur alisna.\r\n2. Pilari Antara Dua Suku\r\nCara anu salajengna pikeun ningali hantu nyaéta ningali antara suku. Upami anjeun hoyong ningali jurig, teras cobian tingali deui sareng tingali antara suku. Seueur jalma anu ngabuktikeun yén upami aranjeunna ngalakukeun éta di tempat anu angker, hantu bakal katingali jelas pisan. Tapi nalika aranjeunna malik sareng henteu ningali tina selangkanganna, aranjeunna henteu katingali deui. Kabiasaan ieu tétéla henteu ngan ukur dilakukeun di Indonésia.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1004", "text": "Demam panggung kajadian teh lantaran urang embung ngomong salah jeung katinggali butut ku batur, nu balukarna jadi sieun dijauhan ku batur. Nu matak ku urang geus dirobah pola pikirna make sudut pandang anu beda, lantaran kemungkinan paling gedena mah batur moal ngahakimi urang sajahat nu ku urang pikir. Sabab rasa sieun jeung rasa geumpeur teh perasaan nu alami jeung teu bisa dikontrol, jadi cara nyanghareupanna nyaeta ku fokus ka hiji hal nu bisa ku urang atur. Oge bisa ngalakukeun latihan di lingkungan nu bakal urang sanghareupan, ku loba latihan bakal ngurangan rasa sieun di panggung. Tarik nafas, tenangkeun diri sorangan, tuluy maju jeung ngomong tarik dihareupeun penonton.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1373", "text": "Sarang laba-laba nu aya di imah alusna mah diberesihkeun sanajan ngarasa geuleuh lantaran sarang eta bisa jadi sumber masalah kasehatan jeung kaberesihan. Sarang laba-laba biasana aya jaring laba-laba jeung kakebul nu nempel kana jaring eta. Jaring laba-laba ieu bisa jadi sarang jang serangga leutik siga reungit, laleur jeung serangga sejenna nu asup ka imah. Salian eta, sarang laba-laba nu aya di imah oge bisa jadi sumber alergi jang jelema nu mibogaan sensitivitas kana bulu laba-laba, mindeng kakebul jeung bulu laba-laba nu aya dina sarang bisa nyebar ka udara. Jang ngahindar tina masalah jeung kasehatan ieu, sarang laba-laba nu aya di jero imah alusna diberesihkeun sacara rutin. Lamun ngarasa geuleuh, urang bisa ngagunakeun sarung leungeun atawa alat pembersih siga sapu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3000", "text": "Sabenerna, teu aya katerangan kumaha autophobia ieu tiasa lumangsung. Alesanna, autophobia digolongkeun salaku kahariwang anu teu masuk akal anu kabentuk nalika aya anu ngarasa sieun atanapi hariwang yén aranjeunna bakal mungkas nyalira. Nyatana, henteu aya kaayaan atanapi ancaman anu ngajantenkeun anjeunna leres-leres nyalira. Nanging, ieu henteu ngabantosan kaayaan anjeunna ningkat. Hartina, sanajan teu aya kaayaan anu tangtu anu bisa ngancem kaayaanana, éta jalma bakal tetep ngarasa sieun ka dirina sorangan. tapi anjeun ngarasa sieun nalika anjeun nyalira? Janten, upami anjeun aya di tempat anu pikasieuneun, ieu normal, contona, anjeun aya di bumi kosong anu tos lami teu aya warga, atanapi tempat anu dipinuhan ku seueur jalma jahat. Nanging, upami anjeun aya di tempat anu aman sareng nyaman tapi tetep sieun nyalira, éta tiasa janten tanda autophobia.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6367", "text": "Keur ondangan ka babaturan abdi teh, abdi ngahaja make baju nu simpel, make kabaya jeung rok batik. Mimitina mah abdi biasa wae. Pas nepi ka daftar tamu, abdi reuwas pisan sabab baju nu ku abdi dipake teh sami jeung nu dipake seragaman pager ayu. Warna jeung model na ge sami pisan ti luhur nepi ka handap. Abdi seuseurian da era pisan, bisi disangka pager ayu deuihan. Beres daftar tamu teh abdi langsung we popotoan heula jeung panganten sabab meungpeung can loba batur. Geus kitu mah tuluy basa-basi we sakedap, langsung we diuk dina korsi tamu. Abdi cuek we api-api nyoo hape supaya teu isin teuing.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "741", "text": "Urang mindeng indit ka Kiaracondong pastina ngaliwatan rel kereta api nu hareupeun pasar. Urang mah teu ngarti da naha mun nungguan kereta api ngaliwat si pemotor nu di lawan arah kalakah sok nungguan di jalan nu saarah jeung urang, padahal jalan eta geus dibere sekat ku tutuwuhan jeung beton. Jadina pas kereta api geus ngaliwat teh sok pajuliwet sabab nu kuduna jalan sajalur ieu sok dipake ku pemotor nu ti lawan arah. Tungtungna mah pan jadi macet, nu tadina hayang silih buru-buru sabab egois jadi tambah lila nepi tujuanna. Jeung ambekna teh mun maranehna ngaklakson siga nu bener jalan manehanana, padahal pan manehna nu salah teh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6924", "text": "Maryam, indung anu nyaah pisan ka putrana, Adil. Maryam bagja pisan ningali Adil tumuwuh janten murangkalih anu gagah tur berbakat. Sanajan kitu, nasib teu salawasna sae kanggo Maryam. Hiji dinten, Adil ngadadak gering. Maryam nyobian sagala cara sangkan Adil cageur, tapi kabeh sia-sia. Adil pupus. Maryam sedih pisan. Manehna ngarasa janten putus asa. Teu aya nu tiasa nenangkeun hatena. Maryam tuluy ngadoa nyuhunkeun Adil sangkan tiasa ditampi ku Gusti Allah ka Surga. Anjeunna miharep Adil tiasa aya dina tempat anu sae. Maryam tetep usaha ngalajengkeun hirupna, tapi anjeunna kadang-kadang sok ngarasa kosong. Anjeunna teu tiasa hilap ka putrana anu parantos pupus.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2094", "text": "Isuk-isuk dina tanggal 11 Mei 2022, langit Bandung wungkul nu katutupan ku méga kulawu. Jeung di tengah-tengah macet, urang meulah jalan Kota Kembang tuluy indit ka tujuan nu geus lila hayang didatangan: Tangkuban Perahu. Leuwih ti satengah jam meuntas jalan kota, urang ayeuna dimimitian naek. Ngaliwatan gerbang kawasan wisata, mayar karcis, tuluy balik deui ka jalan. Tangkuban Parahu bitu ganas kira-kira 40.000 taun ka tukang, ngahasilkeun aliran lava tina komposisi basal nu utamana ngalir ka kalér-wétaneun. Aliran lava ieu ngawengku wewengkon 189 kilométer pasagi kalayan jerona rata-rata 10 méter. Tangkuban Parahu tumuwuh dina Kaldéra Sunda 90.000 taun ka tukang. Bentuk kerucut seukeut gunung diwangun ku interludes antara deposit awan panas jeung aliran lava, nu hartina aya bolak ngabeledug bitu. Sanajan kitu, tangkuban parahu mangrupikeun pangalaman nu endah jang dilewatan di bandung, motor tetep ngajalankeun. Nanjak jalan anu berkelok-kelok tur rada nanjak, ku hawa seger has dataran luhur, tapi ogé ku bau walirang anu beuki kuat nalika urang nanjak.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "719", "text": "Mindeng dihina mun fisik urang teh bongsor geus kawas gajah, urang sok ambek bari ngomong dihareupeun beungeutna, mun ngahina fisik batur teh sarua halna jeung ngahina diri sorangan. Naon nu kumaneh lakukeun ngan bakal nyieun maneh jadi orang nu teu bisa toleransi kana perbedaan. Euweuh jelema nu diciptakeun ku fisik nu 100 persen sampurna, kan? Tiap jelema pasti diciptakeun ku kaleuwihan jeung kakuranganna sewang-sewangan, kaasup maneh oge! Jadi tarima fisik diri sorangan jeung batur kumaha ayana. Lantaran aya loba hal nu bisa dilakukeun dina hirup ieu jang menuju perobahan nu leuwih positif. Saling ngarojong misalna. Kudu saling ngahargaan jeung jadi pribadi nu leuwih positif.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6045", "text": "Basa nuju ngiring ka mamah panen rambutan di kebon, abdi sapopoe ulin sasapedahan di kebon. Samentara mamah meungkeutan rambutan, abdi sasapedahan jeung raka abdi. Keur resep raramena ulin sasapedahan, abdi penasaran kana hiji tangkal rambutan nu bisa kaajul buahna. Abdi nyobian ngajul buah rambutan make awi nu panjangna sameter. Pas rambutanna murag, jol aya kamarang anu bijil tina rungkun daun. Eta kamarang teh nyeureud kana sisi panon beulan kenca. Abdi ngarasa peureus sabab diseureud. Tuluy kamarang na ngagarayang kana rambut. Abdi sieun diseureud deui jadi lumpat becir, eh angger we kamarangna ngungudag. Geus lila abdi nyumout we ditukangeun saung supaya teu diudag deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7250", "text": "Raffi Ahmad teh resep pisan ngahereyuan pamajikanna sorangan. Basa nuju jalan-jalan ka luar negeri, Raffi jol ngenta ijin ka Nagita bade nikah deui. Asalna mah Nagita teu pati paduli, tapi Raffi teterusan ngomong yen manehna bade nyarios anu serius bade nikah deui. Raffi oge nepikeun ngomong ka mamah jeung mitoha na, tapi mamah jeung mitoha na mah nyerahkeun ka Raffi jeung Nagita lantaran anu ngajalankeun imah tangga mah maranehna duaan, janten mamah jeung mitoha Raffi mah teu tiasa ikut campur. Lila-lila Nagita jadi sedih jeung ambek ka Raffi lantaran manehna jol ngomongkeun hal anu teu asup dina akal. Nagita langsung indit mawa Rafathar.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7490", "text": "Basa nuju ngantosan dijemput ku bapa, abdi ngantosan di sisi jalan anu rada sepi lantaran abdi mikirna bapa bakal gacang datangna. Abdi cicing di sisi jalan supados tiasa katingal ku bapa. Tos sapuluh menit abdi ngantosan di sisi jalan tapi teu aya hiji-hiji acan motor atawa mobil anu ngaliwat, warung-warung oge tos tarutup. Teu aya hiji-hiji acan jalmi anu ngaliwat, abdi jadi sieun, ti jauh abdi ningal aya hiji motor anu ngadekeutan kuring, aya dua jalmi di motor eta, salah sahijina ngancem kuring make peso, abdi langsung lumpat, untungna teu lila aya dua jalmi anu nulungan kuring, jeung teu lila oge bapa datang. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2521", "text": "Perencanaan Awal\n1. Nyaho iraha ulang taun sahabat anjeun\nLéngkah munggaran nyaéta pikeun nangtukeun iraha ulang taun babaturan anjeun, sakapeung urang salaku babaturan caket sering hilap iraha ulang taunna, janten pastikeun yén éta mangrupikeun kejutan. Anjeun tiasa nanya ka babaturan atawa kulawargana.\n2. Kumpulkeun babaturan jeung babaturanana\nSaatos léngkah hiji, urang kumpulkeun babaturan anjeun anu ogé tiasa janten réréncangan anjeun, ngarencanakeun atanapi anjeun nyarioskeun yén anjeun hoyong masihan kejutan anu unik ka babaturan anjeun. \n3. H-Day: Jieun Babaturan anjeun emosi\nLéngkah satuluyna nyaéta sangkan sobat émosi jeung ambek dina ulang taunna, anjeun atawa sobat anjeun bisa nyieun manéhna ambek ku rupa-rupa cara, contona: anjeun ménta kabogohna indit jauh jadi manehna teu dipaliré, anjeun ogé bisa ngajempékeun sobat anjeun sapopoe.\n4. Jieun pihak basajan tapi festive\nLamun lengkah-lengkah samemehna geus hasil nyieun babaturan ambek jeung ambek, mangka geus hasil dina tahap awal, lengkah saterusna nyaeta nyieun pesta basajan tapi meriah, teu perlu anggaran mahal.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2036", "text": "Abdi oge ngadaptarkeun salah sahiji jalur lebet UNS, nyaeta UTM, UTM teh jalur lebet anu sarupi sareng versi diploma SBMPTN di UNS. Ahirna kuring bisa lolos ku program studi teknik mesin D3. Kuring ngarasa pohara bersyukur sarta lega saeutik geus meunang celengan. Tapi tong hilap abdi oge ngadoa supados abdi tiasa katampi di SBMPTN. Waktu éta, kuring ngarasa teu aman kusabab skor UTBK leutik. Waktu muka pengumuman teh loba drama hehe. Abdi henteu gaduh kuota internét pikeun muka pengumuman. Abdi nganggo telepon sélulér indung kuring tapi lambat pisan. Teras kuring ngirim pesen ka rombongan réncang UNS nyuhunkeun bantosan pikeun mariksa hasil SBMPTN. Kuring masih inget pisan sobat kuring ngirim poto kalawan pesen 'Ya Allah Hanippp anjeun jadi tiis bisa ditarima dina pilihan kahiji anjeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7576", "text": "Basa Gunung Kelud bitu di taun 2014, Kabupaten Bandung kaasup daerah anu beunang hujan abu. Jarak ti Gunung Kelud ka Kabupaten Bandung teh tujuh ruatus kilo meter. Abdi masih inget keneh yen basa eta abdi dipiwarang nganggo masker lamun bade ka luar imah lantaran aya hujan abu. Untungna di Bandung mah hujan abu na teu pati loba sapertos di tempat anu sanes. Basa ngadangu kabar Gunung Kelud bitu, abdi sieun ningal warta dina tipi anu ngabarkeun yen sora gunung bitu teh kadangu nepikeun Yogyakarta. Untung we abdi nuju teu di Yogyakarta, tapi gaduh kulawargi anu cicing di ditu abdi janten hariwang, bisi kunanaon. Komo ningal dina warta mah jalan teh geus katutupan ku hujan abu, lamun markirkeun motor di luar hiji jam oge geus bakal dipinuhan ku abu. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4691", "text": "Urang pernah sakali di carekan gede pisan ku kolot kusabab urang ulin teu inget waktu. Basa tahun baruan kamari, urang ulin kaluar kota jeung babaturan urang lobaan niat na teh urang erek kemping. Urang di ijinan ku indung jeung bapa urang asalkeun hape na ulah nepi ka teu bisa di hubungan. Urang mangkat urang ulin ngarayakeun tahun baru reresepan kabehan nepi ka urang poho teu ngabaran ka kolot di imah, padahal kolot di imah geus ngadagoan kabar ti urang. Urang poho teu ngabaran tuluy mikir ngke wae ngabarkeun na sakalian tapi kalah tuluy kapopohokeun. Pas waktu na rek balik urang karek inget yen sababara poe can ngabaran ka imah, urang sempet teu wani balik ka imah kusabab pasti bakal di carekan urang sieun pisan, pas nepi ka imah bener urang di carekan gede pisan kusabab teu ngabaran kolot teh nungguan sieun kunanaon, padahal urang samemehna geus jangji bakal ngabaran tapi teu di lakukeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8501", "text": "Sarerea pasti geus ngarasa atawa ngalaman hal paling ngerakeun dina kahirupan. Ieu oge lumaku pikeun selebriti. Teu lila pisan, artis geulis Prilly Latuconsina, contona, nembongkeun pangalaman paling ngerakeun dirina. Eta carita diungkabkeun ku Prilly di hareupeun Luna Maya. Bari diuk anteng, Prilly jeung Luna katembong asik-atik maenkeun kaulinan tanya jawab make salembar kertas anu geus disadiakeun. Salah sahiji patarosan anu narik perhatian netizen nyaeta pangalaman Prilly Latuconsina anu paling pikareueuseun. Saha nu nyangka artis geulis jeung jangkung mungil ieu kungsi ngajerit histeris lantaran salah asup ka kamar mandi lalaki. Prilly ngaku yen waktu eta manehna pamit ka WC nalika rek ngahadiran hiji acara. Betapa reuwasna manehna nempo lalaki anu keur kiih. Prilly, anu oge reuwas, ujug-ujug ngajerit histeris. Anjeunna oge ngaku sababaraha kali menta hampura nalika anjeunna angkat.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8155", "text": "Kabeh jalmi pasti kantos ngarasakeun nu ngaranna demam panggung. Upami tos demam panggung rasana teh teu geunah pisan. Aya rasa sieun kusabab dina pikiran urang muncul kajadian-kajadian nu teu urang hayang. Awak pasti paranas tiris tur kesangan gede. Tapak leungeun janten tiis tur leungeun ngaderegdeg sieun ngalakukeun kasalahan. Upami ngomong janten balelol kusabab pikiran-pikiran urang teu sinkron sareng naon nu arek urang omongkeun. Waktos sarasa lila upami keur demam panggung teh. Panon batur teh karasana keur ngajurian penampilan urang. Babaraha jalmi teu tiasa nyarios atanapi ngalakukeun nanaon upami keur demam panggung, kadang pikiran oge jadi ngeblank teu inget nanaon. Bahkan aya jalmi nu tiasa pingsan upami teu tiasa ngahandle parasaan demam panggung ieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2619", "text": "Sawatara waktu ka tukang, kuring ampir-ampiran tawuran jeung tukang ojek di trotoar Jalan Sudirman, Jakarta Pusat. Untungna aya pulisi anu gancang misahkeun aranjeunna, disebutkeun batur bisa geus tatu. Kumaha teu keuheul, beuki lila trotoarna beuki saeutik lantaran diserbu ku PKL, supir ojek atawa gedong pager milik developer properti. Trotoarna tos minimal, ih, tukang ojek masih resep ngarebut trotoar. Pedestrian kedah nyerah kana motor gagabah. Atuh di Jakarta mah réa pisan nu kaganggu siga kuring. Éta emosi jeung loba pamotor. Kasus ieu kudu jadi perhatian serius pulisi jeung pamaréntah Kota Sukabumi sangkan bisa leuwih tegas ka jalma-jalma nu ngajual di trotoar atawa motor nu ngaliwat ka trotoar. Upami teu kitu, pedestrian moal bisa nyegah ambek ka aranjeunna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5578", "text": "Undian teh salah sahiji hal nu dianggap ngadu kaberuntungan. Sabab undian teh bener-bener bersifat acak jeung ditangtukeun ku kaberuntungan. Jarang aya jalma nu meunang undian berturut-turut, pasti ngan sasakali. Biasana undian teh lobahadiah menarikna, misalna barang elektronik, motor, malahan mun skala gede mah nepi ka hadiahna teh mobil. Tah ieu nu ngajadikeun loba masyarakat ngarasa kagiur jang miluan undian. Tapi, kade oge kudu pinter milih undian sabab bisi nipu atawa dipenta duit sajumlah tertentu. Mun meunang undian tapi dipenta duit jang nebus, mending ulah sabab eta mah modus. Teangan we undian nu aman, misalna undian di bank, dept store, atawa perusahaan nu geus terpercaya.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2901", "text": "Ngalawan sajauh mungkin atawa sacaket mungkin. Lamun tarung dina jarak jauh, nyieun lawan capé, jeung lamun lawan capé, serang sabisa-bisa nepi ka titik vital lawan.\nLamun tarung dina jarak deukeut, coba jadi nu pangheulana nyerang. Sasaran kahiji nyaeta duanana ceuli (katuhu jeung kenca sakaligus ku cara ngetok) fungsina pikeun ngurung hawa kana ceuli anu bisa fatal (megatkeun ceuli). Pikeun salajengna kumaha didinya rek nenggel, nyabok, siku, nyepak, dibanting, atawa nyorong. mun lawanna lain atlit, malihan ngan pura-pura juara atawa preman. Anjeun mawa manehna lari meh carapeeun. Umumna aranjeunna langkung lemah sacara fisik kusabab gaya hirupna. mun geus ngarasa cape, anjeun tuluy kabur neangan tempat anu aman jeung loba batur ngaliwat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2528", "text": "Teu heran yén Minecraft sering disebut salaku kaulinan éksplorasi. Sarerea emerges dina dunya unik tur nyieun jalan ngaliwatan pangalusna sarta awon tina kaulinan. Sababaraha manggihan loot luar biasa bari batur teundeun kana guha netes batu khianat. Nanging, hiji hal anu ngajalajah sareng ngajarah ka tingkat salajengna nyaéta harta karun. Nyaéta, salami anjeun terang kumaha mendakan harta karun di Minecraft. Sarupa jeung bajak laut luhur ku kapal, Minecraft nawarkeun peta harta karun, shipwrecks, sarta loot langka dina quests samping ieu. Naon Harta Terkubur?\nHarta anu dikubur nyaéta peti harta karun di Minecraft sareng seueur barang langka. Tina barang-barang tuangeun dugi ka alat sareng mineral, éta ngagaduhan sababaraha hal anu tiasa ngabantosan anjeun salamet dina pertandingan. Upami anjeun badé ngawangun Conduit di Minecraft, anjeun peryogi dada ieu. Ieu hiji-hijina sumber Heart of the Sea. Nyiptakeun saluran sareng éta bakal masihan anjeun kakuatan sapertos mercusuar Minecraft tapi fokus kana mob jero cai.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8482", "text": "Meureun aya loba carita nu urang ngalaman tur mibanda eta menarik pisan pikeun dicaritakeun ka batur. Kawas carita ti budak leutik, kenangan ulin jeung babaturan budak leutik, atawa kenangan urang nongkrong jeung kulawarga. Hal-hal ieu kudu pinuh ku carita gumbira, sedih, pikaseurieun, jeung sajabana. Tapi tong pernah nyaritakeun hal nu pikageuleuhen ka jalma. Nyaritakeun carita-carita anu pikageuleuhen bisa dianggap kurang ajar ku batur. Kalolobaan jalma teu resep carita nu pikageuleuhen. Ngadenge hal-hal nu pikageuleuheun bisa nganyenyerikeun hate, keuheul, malah bisa nyieun jalma seueul jeung pusing ku ngabayangkeun kajadian-kajadian pikareueuseun dina carita. Jalma-jalma bisa ambek lantaran urang nyaritakeun kajadian atawa carita nu pikageuleuhen.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2987", "text": "Bisa valid atawa henteu, sajauh observasi kuring valid, potensi 65% -75%, ciri-cirina sapertos ngawas kagiatan anjeun, terang naon anu anjeun resep sareng henteu resep sacara rinci, terang dimana waé anjeun sareng anjeun tiasa sering pendak sareng anjeunna naha ngahaja atanapi henteu, Rincian naon anu anjeun peryogikeun, sareng anjeunna tiasa nawiskeun bantosan nalika anjeun leres-leres henteu peryogi éta, Anjeunna gaduh daftar kagiatan mun anjeun ninggalkeun nalika anjeun nepi ka imah, sangkan anjeun bisa tongkang kana tinggal anjeun tanpa anjeun terang eta. Salian eta, biasana anu rek nguntit sok katempo dina pakean na sok rada katutup, misalna ngangge topi, kacamata hideung, atanapi make baju hideung. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "766", "text": "Urang ngahaja datang ka rumah sakit teh nyubuh pisan, ngameh meunang antrianna anu deet keneh. Pas datang ka rumah sakit teh emang meunang nomor nu deet, jadi pikiran urang teh bakal tereh balik oge. Tapi nyatana mah henteu, pas dibuka loket pendaftaran, nu diheulakeunna teh nu daftar ngaliwatan online. Padahal manehanana teh datangna 10 menit saacan loket pendaftaran buka. Urang diuk sabari ambek, protes ka loket pendaftaran. Komo deui anu daftar online teh lumayan loba, jadi urang kudu ngadagoan nu daftar online kabeh dilayani, kakara nu offline. Mun nyaho kitu mah urang moal datang nyubuh, rek sarua we miluan make online.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3389", "text": "Kapan bajuna mah sarua jeung batur. Abdi jadi bodo. Rék meuli baju kuring? Naha anjeun protés? Kacuali anjeun ngagaleuh kuring baju, tapi kuring hoyong nganggo ngan ukur hiji jinis pakéan. Naon masalahna pikeun anjeun upami kuring nganggo baju anu sami? Naha kuring katingali miskin? Goréng? teu keren? Mark Zuckerberg, pangadeg Facebook, teu pernah ganti baju. Jalma beunghar teu pernah ngadu'a. Hahahaha... kakara sore. Papakéan anu kuring anggo éta baju anu sami anu kuring anggo kamari. Kusabab kelas anu kuring ngajarna béda-béda, kuring henteu hariwang aya anu terang ngeunaan kaayaan baju anu kuring anggo. Percaya atawa henteu, kuring geus lila pisan teu meuli baju anyar. Baju anu kuring pake kawilang awét (hargana rada mahal sareng merek, tapi awét). Samentara éta lembaga mah paling getol nyadiakeun saragam batik. Teu lungse, dijait deui. Praktis henteu peryogi deui baju anyar.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7246", "text": "Raffi Ahmad dina YouTube na sok nyieun pidio prank. Tapi aya sababaraha kali manehna anu diprank. Salah sahiji pidio anu seeur pisan panongtonna nyaeta basa Rafathar putra Raffi ngahereuyan Raffi ku rambutan. Raffi Ahmad katelah teu resep kana rambutan lantaran geleuh jeung garila kana buluna. Pas Raffi nuju bobo di kamarna, Rafathar jeung Lala asisten Rafathar langsung ka luar milarian rambutan. Tungtungna Rafathar jeung Lala milarian rambutan di sisi jalan, pas tos papanggih jeung tukang rambutan, Rafathar langsung meser seeur pisan rambutanna. Rambutan eta langsung disimpen dina kasur di gigireun Raffi anu masih kene bobo. Pas digugahkeun, Raffi langsung reuwas jeung lumpat tina kasur. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8200", "text": "Upami nyieun kasalahan urang sawajarna ngarasa sieun dicarekan. Ulah ningakeun nganggu atanapi nyieun stres pikiran urang. Ngalakukeun kasalahan mah wajar kusabab manusa teh tempatna salah. Sieun dicarekan ge wajar kusabab urang kudu ngatanggungjawabkeun kasalahan nu tos urang lakukeun. Justru sieun dicarekan teh pertanda alus artina urang nyadar upami urang teh ngalakukeun kasalahan. Ku kituna urang ngan tiasa mere alesan nu bener sareng logis kunaon urang ngalakukeun kasalahan eta. Tong kusabab sieun urang janten teu tiasa ngawales upami ditaros kunaon ngalakukeun kasalahan. Komo deui urang ulah nikakeun ngawadul sapertos mere alesan nu teu leres kusabab ieu teh tiasa ngurangan kapercantenan batur ka diri urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7336", "text": "Poe Senin tos janten langganan macet, komo di parapatan Kiara Condong anu lampu bereumna lila pisan, tiasa nepikeun lima menit. Keur mah kitu pas di jalan caket sakola aya hiji mobil anu parkir di sisi jalan jeung ngahalangan mobil anu sanes anu bade ka sakola. Disebabkeun ku mobil eta, jalanan janten macet pisan teu sapertos biasana. Geus ditungguan sababaraha menit eta mobil teu nyingkah. Hiji bapa-bapa langsung ngagedor anu boga imah sabari nyentak nitah mindahkeun mobilna sabari nyarios yen lamun boga mobil kedah boga lahan parkir sorangan. Teu lila nu boga mobil kaluar sabari digorowokan ku batur anu tos nungguan ti tatadi.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6037", "text": "Cara supaya teu geumpeur mun dijadikeun saksi dina kasus kacilakaan. Nu kahiji nyaeta kudu jujur kana sagala informasi nu ditepikeun. Kudu nepikeun informasi nu jujur jeung sabenerna, ulah nepi ka salah nepikeun informasi, komo diaya-ayakeun mah. Nu kadua nyaeta kudu tenang, ulah geumpeur. Biasana saksi sok dihadapkeun ka pertanyaan nu bejibun, mantak kudu tenang dina ngajawabna, ulah rusuh komo nepi ka geumpeur mah. Nu katilu nyaeta kudu nyampaikeun kabenaran nu sasuai fakta, tong dijieun-jieun. Komo informasi nu di saksi teh kan informasi kunci tina sahiji perkara. Mantak kudu ditepikeun masing bener jeung jujur. Kudu tenang dina sagala kondisi pas mere keterangan teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6039", "text": "Basa nuju di sakola, di jam istirahat siang abdi saperti biasa keur uulinan di hareupeun kelas. Aya oge nu nuju maen voli di lapangan voli. Poe teh cerah pisan, tapi tiisuk angin geus ngagelebus tarik pisan. Beres emam di payuneun kelas, abdi tuluy cicing diuk bari niis di handapeun tatangkalan. Keur diuk, jol datang angin gede jiga putkng beliung. Anginna gerak ti kaler ka kidulkeun, bari muter kaluhur. Nu keur maraen voli ge kagulung, teu katempo sabab warna anginna cokelat. Abdi keur diuk langsung ceungkat da sieun bisi kabugbrugan tatangkalan atawa bangunan. Pas anginna geus beres, buru-buru we abdi ka jero kelas da sieun aya angin deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5228", "text": "Maot jadi salah sahiji perkara nu pasti dina kahirupan urang. Urang teu pernah apal iraha maot bakal datang. Maot teh jadi hiji kapastian jang masa depan urang. Tapi sabagean jalmi masih keneh aya nu ngarasa sieun maot. Kuduna urang teh ngarasa atoh nyambut maot sabab janten gerbang ka kahirupan nu kekal salajengna. Ku kituna, bekel nu disiapkeun oge kedah sing bener-bener matang. Tong sieun ngahadapi perkara maot teh, da suatu saat ge pasti bakal. Anggursih urang kudu na mah ti ayeuna nyiapkeun bekel kabaikan urang salila hirup, jeung tong hilap pertebal kaimanan urang supaya urang bisa siap mayunan nu namina kamatian.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8186", "text": "Ratih teh saumur-umur karak sakali ngarasakeun sieun nu bener-bener sieun. Manehna kantos ngarasakeun diancam ku begal di pasar Jatinegara. Sawaktos eta manehna karak salse balanja kaperluan sapopoe di pasar. Teras aya hiji jalmi nu nuturkeun manehna ditukang. Ratih teu aya rasa curiga sama sakali nanging tetela ieu jalmi teh nyobi ngarampok Ratih. Ratih teu tiasa menta tulung kusabab manehna ngarasa ditonggongna aya parakas seket. Manehna diancem upami ngagorowok atanapi menta tulung bakal ditojos tonggongna ku peso. Kusabab teu tiasa walakaya Ratih ngan tiasa mere barang-barang nu dianggona sapertos kalung, cincin, sareng gelang. Rasa sieun kusabab diancemteh ngelehkeun sagala rasanu lain.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8425", "text": "Ieu sababaraha tip anu tiasa ngabantosan anjeun ngaleungitkeun parasaan geuleuh nalika ningali jamban kotor. Make sarung tangan sareng topeng nalika ngabersihkeun jamban anu kotor tiasa ngabantosan ngirangan rasa jijik. Simpen bahan anu beresih sareng produk beberesih pikeun ngabersihkeun jamban anu kotor supados anjeun henteu kesel. Ngajaga jarak anjeun tina jamban kotor sareng ngajauhan daerah sagancangna tiasa ngabantosan ngirangan rasa jijik. Émut yen ngabersihkeun jamban anu kotor mangrupikeun tugas penting pikeun ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan. Visualisasi lingkungan toilet anu bersih sareng higienis nalika ningali toilet anu kotor pikeun ngabantosan perasaan jijik. Pikiran positip sareng fokus kana hal-hal anu positip sapertos hasil ngabersihkeun jamban anu bersih sareng higienis tiasa ngabantosan ngaleungitkeun rasa jijik.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2921", "text": "Sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngungkulan kahariwang nalika badé dioperasi, nyaéta:\r\n- Kumpulkeun saloba inpormasi anu mungkin, nalika anjeun terang pasti naon anu bakal dilakukeun ku dokter anjeun salami operasi, maka kahariwang anjeun bakal ngirangan\r\n- Ngobrol ka dokter anu ngubaran anjeun, lamun memang pasén ngalaman stress parna, dokter bakal masihan anjeunna ubar keur nengtremkeun.\r\n- Laksanakeun hal-hal anu tiasa bersantai anjeun, anjeun tiasa ngalakukeun hal-hal sapertos ngadengekeun alat musik, maca buku karesep anjeun, atanapi ngobrol sareng jalma anu paling caket sareng anjeun.\r\n- Pikir positif, Hiji hal anu bisa nyieun kahariwang parah nyaeta pikiran négatip ngeunaan kaayaan awak anjeun atawa panyakit anu anjeun ngalaman, atawa bisa ogé mangrupa aura négatip ti lingkungan sabudeureun anjeun. Ku alatan éta, salah sahiji cara pikeun ngungkulan kahariwang saméméh operasi nyaéta mikir positif.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6068", "text": "Abdi pernah gaduh babaturan nu rada terkena gangguan mental. Mun keur ngumpul atawa ulin tek sok teu pararuguh badmood atawa malah nepi ka tingkah anehna kaluar. Pernah basa hiji poe keur miluan kagiatan organisasi, anjeunna meureun ngarasa pusing sabab seueur peserta nu kudu ditangani. Malahan oge kudu ngahandle sagala keluhan ti peserta. Anjeunna tiba-tiba kena panic attack, padahal harita keur cicing istirahat. Anjeunna langsung uih ka sekre tuluy ngurung diri di ruangan kaputrian. Lain sakali dua kali anjeunna jiga kieu, sering pisan malahan mah. Tingkahna nu kieu teh ngarugikeun diri sorangan jeung batur oge, sabab anjeunna teu bisa ngontrol emosi diri sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4706", "text": "Di suntik geus teu bisa leupas din kahirupan urang utama na almun urang keur butuh jeung aya urusan na ka dunya medis. Misalkeun wae lamun urang butuh di suntik lantaran urang gering perlu suntik vitamin atawa siga kamari butuh pikeun di suntik vaksi covid 19, urang teu bsa tuluy boga rasa kasieun di sunti, urang kudu bisa ngalawan kusabab eta teh geus adi hal biasa anu kudu jeung normal di lakukeun, aya cara na sangkan teu sieun di suntik saprti urang bisa nenangkeun hate samemeh na ngayakinkeun yen di suntik teu nyeri jeung eta teh sangkan kabaikan urang oge tuluy urang bisa bari ngadengekeun lagu pas di suntik sangkan fokus urang ka alihkeun jadi teu mikirkeun teuing rasa jeung kasieuna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "772", "text": "Orang Sunda teh lain teu bisa nyebut F, tapi males nyebut F. Lain ngan F hungkul, Z oge dibacana J. Orang Sunda teh geus kabiasaan jang ngamudahkeun, nyederhanakeun sagala rupa. Jadi nu beurat-beurat, bahkan kosakata atawa huruf nu cenderung beurat dimudahkeun. Siga conto di kampung urang, loba nu nyebut Bandung jadi Banung, sendok jadi senok, sendal jadi senal, jeung sajabana. D na teh jadi ngaleungit. Orang Sunda teh loba nu nyederhanakeun kawas kitu, bahkan umpatanna oge sabenerna mah penyederhanaan, jadi misalkeun \"Sarap sia maneh!\". Sarap teh pan sabenerna bisa wae \"sarapna putus atawa sarapna kajepit\". Atawa bahasa Sunda \"Aliran\" pan sabenerna mah \"Aliran\" teh putus.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3240", "text": "Kajadian ieu dimimitian ku karacunan pangan emameun anu kaalaman ku Kanishka di SD (SD) sarta ti saprak harita manéhna mindeng ngalaman masalah lambung. Jalma nyebutkeun éta borok lambung. Nincak ka jenjang SMP (SMP), Kanishka beuki sering kaserang panyakit alatan asam lambung naek, nepi ka nincak SMA (SMA). Kanishka ngagaduhan gejala GERD ti saprak 2016, nalika anjeunna ngamimitian damel. Nanging, henteu aya pamariksaan deui dugi ka panyakit ieu nyababkeun anjeunna hésé tuang.\nDina tahap awal ningali dokter, Kanishka nganjang ka spesialis di hiji rumah sakit di Jakarta. Dokter nyarankeun nginum obat khusus. Sabulan kaliwat, hartina cageur teu kungsi karasa. nah nagbiasakeun jadi sok utah teu puguh upami stress.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7537", "text": "Di sakola pasti aya anu ngarana pamariksaan anu dilakukeun ku guru. Hanjakal pamariksaan teh sok dilakukeun ngadadak, jadi siswa teu apal lamun dinten ieu bakal aya pamariksaan. Mulai ti mariksa tas nepikeun loker siswa. Pas bade gentos palajaran, aya tilu guru anu asup ka kelas teras ngonci kelas. Siswa dititah cicing di hareup kelas, guru-guru langsung ngaluarkeun barang-barang anu aya di tas jeung loker. Pas nuju mariksa, aya hiji rerencangan di kelas anu mawa silet jeung peso. Sadayana langsung reuwas. Pamariksaan beres, guru langsung nitah sadayana balik ka korsi masing-masing. Sadayana langsung sieun lantaran aya hiji guru galak anu asup ka kelas, sadayana langsung cicing, teu aya nu wani ningal ka guru. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5983", "text": "Mun aya jalma nu ngalontarkeun ancaman ka urang, ulah nepi ka salah lengkah, komo mun nepi ka sasah rek lumampah teh. Lamun nu ngancamna geus kaliwatan batas mah kudu pisan dilaporkeun ka polisi. Komo mun ancamanna dibarengan ku teror mah, geus kudu pisan lapor polisi sabab ngabahayakeun nyawa. Mun geus lapor polisi mah bakal meunang perlindungan sacara hukum jeung deuih bakal aya nu ngadampingi, jadi moal sieun sosoranganan. Lapor polisina ge kudu sasuai jeung aturan, supaya terstruktur sagalana. Mantak, mun aya ancaman atawa aksk teror, kudu pisan lapor polisi langsung harita keneh supaya bisa ngalindungi kaamanan diri sorangan jeung kulawarga.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5189", "text": "Budak ngora ayeuna mah seueur pisan nu ngaidolakeun jalma terkenal, nepi ka hafal seluk belukna. Tapi jarang buda ngora ayeuna nu ngidolakeun tokoh agama. Padahal eta teh penting pisan jang ngalani kahirupan urang, jang neangan jawaban dina sagala karaguan urang. Jeung deuih salaku saorang muslim, geus sakuduna urang teh ngidolakeun nu alus-alus, ulah nu aneh-aneh jeung teu parauguh. Mun ngaidolakeun tokoh agama mah pan ka urang na ge jadi aya panutan, jadi aya tuturkeuneun jang ngalaksanakeun ibadah, moal bingung di dunia jeung di akherat. Tapi da memang zaman modern kieu teh mantak loba teuing asupan budaya ti luar negeri, jadi poho kana budaya sorangan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2478", "text": "Pendaftaran Mudik Gratis Masih Dibuka nepi ka 28 April Salian ti éta, Sulastri datang telat lantaran masih kudu nyiapkeun sajumlah barang anu rék dibawa ka kampung halaman di Solo. Sanaos kitu, kabingung Sulastri ngabatalkeun mudik lebaran 2022 dinten Senén henteu lami. Saatos naroskeun patarosan sareng negosiasi sareng aparat kapulisian, anjeunna tungtungna diidinan janten peserta mudik gratis pikeun rombongan penerbangan kadua anu angkat Salasageus aya tiap taun ti tahun 2010 nepi ka ayeunakeun. Cek sulastri teh \"Taun-taun samemehna mah lalaunan. Geus sababaraha kali milu. Tétéla verifikasi kali ieu mah gampang, pas anjog, langsung naék kana beus,\" tambahan cek Sulastri teh kitu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7596", "text": "Aya salah sahiji YouTuber di Korea anu dituturkeun ku jalmi anu teu jelas. Mimitina manehna dipasihan kembang ku salah sahiji jalmi, anjeunna teu curiga lantaran mikirna eta salah sahiji fans na. Tapi pas manehna balik ka imah, jalmi anu masihan kembang tadi kalahkan nuturkeun manehna, nepikeun apal si YouTuber ieu cicing di mana. Asalna mah manehna biasa wae, tapi beuki lila beuki teu nyaman lantaran lalai anu nuturkeun tadi kalahkah nungguan di handap, di hareupeun gerbang apartemen na. Unggal manehna indit, pasti lalaki eta aya di handap, pas manehna balik oge masih keneh aya. Kajadian ieu lumangsung sanes ngan sababaraha poe tapi sababaraha sasih. Lantaran teu nyaman tungtungna awewe ieu ngalih ka tempat anu anyar. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "703", "text": "Keur ngeusian bengsin di SPBU, tiba-tiba aya salah sahiji motor nu nyorobot antrian pas pisan dihareupeun urang. Ngomongna mah manehna keur buru-buru, urang nu ngadenge alesan eta langsung nyorongot. \"Pak didieu ge kabeh nu keur ngantri teh buru-buru, euweuh nu nyalse ngahaja ngantri di SPBU\". Si bapak eta nu make baju ormas kalakah leuwih tarik omonganana \"Kumaha aing we, ieu daerah aing sia rek naon?'. Urang turun dina motor nyampeurkeun bapakna, bari ngomong \"Pak rek saha wae ge, rek jabatan bapak naon ge, bahkan presiden wae ge, mun aya antrian kudu ngantri atuh! Ulah sakahayang maneh wae nyorobot antrian batur\". Urang make postur nu geus siap gelut, tapi kaburu aya kaamanan nu misahkeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "718", "text": "Mun aya nu ngahina fisik teh ku urang sok diomongan kieu, kabeh jelema nu aya di bumi teh ciptaan Allah SWT. Jadi, maneh ulah ngahina fisik batur, sarua halna maneh ngahina naon nu geus diciptakeun ku Allah SWT. Allah SWT geus nyiptakeun bentuk fisik jelema ku sedemikian rupana jeung kaleuwihan oge kakurangan sewang-sewangan. Orang Indonesia, Arab, Cina, Korea atawa India oge kabeh mibogaan kaunikanna sorangan. Aya nu kulitna sawo matang, koneng langsat, bodas, awakna jangkung, pendek, gendut, ceking, matana sipit, kabeh luyu jeung ketetapan Allah SWT. Dari pada ngahina fisik batur, mending maneh diajar jang ngahargaan salaku sasama makhluk ciptaan Allah SWT.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6881", "text": "Akhir-akhir ieu abdi nuju resep pisan ngadangukeun hiji lagu lantaran eusi laguna teh pas pisan sareng kondisi kuring ayeuna. Unggal ngadangu ieu lagu, abdi janten semangat deui jeung teu mikiran naon diomongan ku batur. Salian ti eusi laguna anu alus, nada lagu ieu oge ngeunaheun janten teu bosen didangukeun sababaraha kali oge. Abdi mah lamun nuju resep kana hiji lagu pasti bakal diulang-ulang wae. Hiji waktos, abdi ningal yen lagu karesep abdi teh asup nominasi lagu pangsaena taun ieu. Lantaran resep kana ieu lagu abdi langsung miluan milih lagu ieu. Abdi miluan bungah pas lagu ieu diumumkeun janten nu meunang panghargaan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "372", "text": "Teu ngabiasakeun maca buku salah sahiji rasa kaduhung di hirup urang. Sanajan urang lulusan sastra anu katelahna teh jurusan resep maca buku karya-karya sastra, tapi beda jeung urang. Urang ninggali bentuk fisik buku na wae geus hoream, komo macana sok kabawakeun tunduh, kurang ti 5 menit ge pasti heuay. Tapi lamun ka toko buku urang resep, meulian buku bari ngoleksi buku, tapi ari dibaca mah tara. Jadi buku teh sok rapih weh dina lomari, tapi tara dibuka deui lamun geus diteundeun. Kecuali lamun buku-buku ngeunaan elmu pengetahuan, contona buku anu ngeunaan cara menulis bahasa Indonesia yang benar, eta urang resep maca. Kadang sok ditulis oge dina catetan HP ngameh sawaktu-waktu bisa nerapkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2526", "text": "Kuring sakali boga anjing. Manehna parantos sareng kulawarga kuring mangtaun-taun. Abdi sering ngajak anjeunna ulin, tuang, jalan-jalan, jsb. Teras sumping nalika anjeunna didiagnosis ku dokter anu gering. Anjing kuring, anu biasa lumpat-lumpat, langkung milih henteu gerak. Pikeun leumpang nyalira, anjeunna kedah ngageser sukuna. Nanging, kuring tiasa ningali yén anjeunna masih gaduh seuneu dina panonna anu nunjukkeun yén anjeunna masih hoyong hirup sareng aktip sareng urang sapertos biasa. Beuki lila kaséhatanna beuki lemah, panyakitna ogé teu bisa diubaran. Anjeunna beuki lemah sareng cahaya panonna ogé beuki redup. Kami ogé parantos ngantepkeun sareng ngarep-ngarep yén anjeunna bakal maot tibatan ngarasa disiksa ku kaayaanana. Dina hiji waktos anjeunna maot nalika urang sadayana saré. Nalika urang terang ieu, urang ogé ceurik. Éta harta karun kuring dina waktos éta. Éta mangrupikeun sababaraha harta karun anu kuring kéngingkeun tina hirup di dunya ieu. Ayeuna kuring gaduh kulawarga, babaturan, pangaweruh anu kuring kéngingkeun ti sakola, buku, sareng internét, pangalaman sareng kagagalan anu kuring lakukeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7844", "text": "Lamun ningal runtah di luar negeri anu dipisahkeun antara runtah baseuh jeung runtah palastik, abdi sok ngabayangkeun, iraha Indonesia tiasa nerapkeun eta. Sabenerna urang tos tiasa mulai misahkeun runtah palastik jeung runtah baseuh sorangan, dimimitian ti imah urang, tapi angger we teu aya bedana lamun tungtungna dihijikeun deui di TPA. Lamun carana kitu mah bade nepikeun sapuluh taun oge pasti runtah bakal teras nambihan jeung beuki loba. Karunya ka jalmi anu hirup di caket tempat runtah, pasti kaganggu ku bau runtah, kaganggu ku bilatung, laleur jeung panyakit anu ditimbulkeun tina runtah anu diantepkeun numpuk nepikeun janten gunung runtah imah tangga. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7588", "text": "Dinten ieu mangrupakeun dinten kahiji abdi digawe di tempat anyar. Tabuh dua siang, abdi dipasihan waktos kanggo istirahat, lantaran lapar abdi langsung milarian warung di caket kantor. Abdi ngahaja diuk di hiji tempat sorangan lantaran teu gaduh rerencangan kanggo ngobrol. Tempat eta rada sepi, tapi teu lila abdi disampeurkeun ku hiji jalmi, manehna ijin hoyong diuk sareng. Abdi ngarasa aneh sabab seeur keneh tempat diuk anu kosong, tapi naha manehna beut diuk di meja kuring. Lantaran ngarasa teu nyaman, abdi langsung balik, manehna naros naha kuring balik padahal dahareun masih loba keneh. Abdi teu ngawaler tuluy langsung indit. Pas jalan ka kantor manehna nuturkeun kuring di tukang, lantaran sieun abdi langsung nyamperkeun satpam di salah sahiji bank di sisi jalan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1379", "text": "Rasa geuleuh nu aya pas kakeunaan ciduh batur mangrupakeun reaksi nu wajar. Ciduh dianggap salaku benda nu teu beresih jeung kacampur jeung bakteri oge kuman nu bisa ngancam kana kasehatan urang. Kakeunaan ciduh batur oge bisa dianggap salaku pelanggaran privasi jeung batasan personal space. Ku sabab kitu, rasa geuleuh nyaeta respon nu penting jang ngajaga kasehatan jeung ngajaga diri urang sorangan tina resiko infeksi. Salian eta, rasa geuleuh oge mibogaan fungsi salaku pengingat sosial jang ngajaga etika jeung sopan santun dina interaksi jeung batur. Tapi urang oge kudu merhatikeun cara urang ngaekspresikeun rasa geuleuh eta ngameh teu nganyenyeri perasaan batur.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8538", "text": "Sarah parantos diajar di universitas enggalna ampir sabulan. Anjeunna sumanget pisan pikeun ngudag cita-citana sareng janten sarjana. Sanajan kitu, anjeunna lumpat kana masalah badag dina ujian badag na. Sajeroning ujian, Sarah kacida hariwangeun jeung teu nyaho jawaban tina pananya. Teu disadari, manehna mimiti niron ti baturna anu diuk gigireunana. Sanajan kitu, dosen nyadar nu Sarah ieu niron sarta disebut anjeunna maju pikeun penjelasan. Sarah ngarasa era pisan jeung sieun. Anjeunna nyobian ngabéla dirina, tapi dosen henteu percanten ka anjeunna sareng ngahukum anjeunna kalayan nilai anu goreng dina tes. Sanggeus kajadian eta, Sarah ngarasa era pisan jeung ngarasa leungit beungeutna. Anjeunna kuciwa pikeun ngalakukeun salah sareng ngarasa hariwang ngeunaan kumaha anu katingali ku batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7837", "text": "Tos saminggon ieu, peuting-peuting sateuacan bobo abdi sok ngadangu aya sora ngiung di imah, tapi pas di tingal-tingal mah da sabenerna mah teu aya nanaon, panto imah oge geus ditutupan. Pas subuh-subuh, jol aya sora anu gandeng pisan, siga sora laleur tapi leuwih gandeng. Epekteh eta teh nyiruan anu ngurilingan bohlam, sugan teh tawon tapi ukuranna leuwih leutik, janten ku abdi dipareuman lampuna supados teu janten tempat nyiruan ngararumpul. Isukanna abdi ningal dina lante imah aya seeur pisan bangke nyiruan. Tapi lantaran teu apal di mana kandang nyiruanna, abdi kapaksa ngantepkeun eta nyiruan, lantaran teu apal oge kumaha carana ngusir eta nyiruan. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6841", "text": "Jaman ayeuna tos seeur pisan cara kanggo balanja. Bahasa na mah sanes nganjuk tapi prinsip na mah nganjuk keneh, biasana istilah anu dipake na teh 'pay later' atau meser ayeuna mayarna engke. Pay later ieu teh tos ngarugikeun seeur jalmi, lantaran tiasa disalahgunakeun ku batur. Emang paling ngeunah mah upami nabung make duit hasil gawe sorangan, sanajan lila oge tapi engke na urang bakal leuwih tenang lantaran moal diudag-udag batur. Urang oge bakal leuwih ngahargaan barang anu tos dibeuli lantaran meuli na oge ku susah-payah nabung. Matak hayu urang nabung, tong resep nganjuk sanajan bakal dibayar ngke oge tapi tetep we ai can aya duit na mah mending tong waka meser barang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "601", "text": "Masih inget keneh harita aya pangajian di Warungkondang, nyaeta di kecamatan. Ku sabab di pasantren mah euweuh kendaraan jang kaditu kadieu, biasana make angkot. Tapi lantaran harita mah geus peuting jadi indit balik teh kudu leumpang. Basa eta urang indit teh 5 an jeung santri nu sejen, indit saberes sholat magrib, geus lengkep pakeanana di samping jeung di kopeah. Pas indit mah rame sabab masih kaitung teu peuting teuing. Nah pas balik lumayan keueung lantaran batur-batur geus ngampih ka imahna. Aya hiji tatangkalan nu sanget pisan, ngaranna teh lame kohok. Jadi tangkal lame tapi bolong tangkalna, anehna teh masih keneh hirup si tangkalna teh. Pas ngaliwatan kadinya, sanajan teu jelas ninggalina tapi geus ngarasa hawa teu ngeunaheun. Langsung da eta mah kabeh lumpat ngabiritbit. Urang nu katinggaleun jauh sabab lumpatna teu bisa tarik da masih keneh leutik.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4439", "text": "Di jaman anu geus era katerbukaan informasi, tapi tetep aya keneh wae masarakat anu masih ningali SARA lamun erek berteman atawa bergaul, ku kituna maranéhanana masih dikelompokeun dina hiji wewengkon, sarta paradigma maranehanana masih katutupan ku belenggu tradisional maranehanana. SARA nangtung pikeun Suku, Ras, Agama sareng Antarkelompok. Memang masalah SARA teh masalah anu sensitip pisan. Malah di Amerika sorangan, nu kabeneran geus jadi bagara bebas modern jeung canggih, SARA masih masalah sensitif sabab manusa sacara universal sok nempo \"kulit luar\".Utamana di Indonesia anu satemenna beunghar ku karagaman budaya, maenkeun masalah SARA. Sakali hiji masalah ngagedean (utamana ngeunaan masalah agama), 99% hasilna pasti bakal nimbulkeun amarah, kritik, anarkisme, malah karusuhan massal.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3408", "text": "Jarang-jarang jalma biasa nu katarajang panyakit ieu, kulawarga teu boga haté pikeun nyaritakeun jeung mamatahan. Jadi enya, teu bisa diubaran. Sabab panyakit bawaan, enya-enya, bisa nular, iwal ti dulur-dulur sorangan. Saparantos kajadian maling toko, palaku sadar yén tindakanna ngalanggar hukum, teras ceurik di payuneun aparat kusabab bosen, teu pernah aya bek anu hoyong ngabela. Lantaran tukang ngulon téh barang sepele jeung hargana murah, bisa dicindekkeun yén kalakuan ngagotong téh dilaksanakeun di luar kasadaran palaku, sarta kakara sadar sanggeus katéwak ku aparat kaamanan. Dina pamanggih kuring, penyembuhan kudu dilakukeun ku dua cara, kahayang kuat sabar urang cageur sarta bantuan ti spesialis jiwa.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6891", "text": "Taun ieu abdi meunang kasempetan kanggo janten relawan ka Sumbawa, salah sahiji tempat anu endah pisan. Tempat ieu oge katelah janten tempat anu mineng didatangan ku artis ti luar negeri. Aya hiji resor anu mewah jeung alus pisan nyeta Nihi Sumba, seeur artis Hollywood jeung korea anu kantos datang ka dinya. Kabeneran wae pas abdi nuju di Sumba abdi maca dina artikel yen lalakon karesep abdi bade datang ka Nihi Sumba. Abdi atoh pisan, sahenteuna urang tiasa aya di tempat anu sarua sanajan teu patepang. Pas abdi nuju aya kagiatan sareng warga lokal Sumba, jol aya artis karesep abdi datang ka desa tempat abdi diugaskeun. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2197", "text": "Nalika bapa kuring masih hirup, anjeunna nyarios yén anjeunna moal tiasa ningali kuring nikah . Ngan Ema mah pasti bakal nu bakal ningali kawinan kuring. Waktos harita pun bapa nitip pesen ka adi na anu pang bungsuna (mamang abdi), \"Urang nitip nya anak urang, Junet. Engke-engke anjeun anu ngurus pernikahan.\" Ngadéngé éta, asa sedih kabina-bina. Anjeun na sigana geus nyaho nasib anjeun. Tapi kuring nyobian tetep ngadorong anjeun. Sareng saatos 2 taun, Bapa tungtungna maot. Samemeh Bapa pupus, mung aya hiji seratan, \"Jaga Mamah, muhun, dek (nu nyauran abdi). Nepi ka Mamah ditelepon ku Gusti, Mamah kedah nyarengan. bapa titipkeun Mamah ka Ibu. isuk eta bapa maot.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2080", "text": "Pernah baheula kuring neangan kipas angin ngahiji jeung lampu darurat. Biasana mah mun hargana masih 78.500. Ieu mah saleresna mah kategori murah hahaha. Tapi pohara kapaké pikeun kamar leutik. Teu nyéépkeun rohangan sareng mangpaat nalika listrik pareum. Sakapeung kuring ogé resep nyandak ka kamar sanés atanapi di luar bumi. Sareng anu kuring resep nyaéta kusabab batréna awét pisan, upami teu lepat nalika dianggo terus-terusan tiasa dugi ka 3 dinten. Kipas angin ogé tiasa diangkat dugi ka 1 meter. Sareng anginna oge lancar pisan, janten nyaman, teu ribut hehe. Kuring ngagaleuh sataun katukang, sateuacan éta teu aya anu ngajual kipas darurat lipat. Ayeuna geus suung pisan di olshop. Kuring geus meuli merek sejen nu langkung mirah, nyebutkeun nyebutkeun. Aya harga aya kualitas. Dina hal pamakéan sarta bahan pisan béda. Ngan FYI, kuring meuli versi batré 7200mah. Ayeuna nu keur dijual, kapasitas batré diréduksi jadi 6000mah jadi meureun waktos pamakéan bakal rada béda.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7868", "text": "Di kelas abdi basa SD abdi gaduh rerencangan anu teu daek cicing pisan, manehna resep tataekan ka tatangkalan anu aya di sisi sakola, oge resep pisan ulin karet jeung barudak awewe. Abdi geus ngabejaan anjeunna ulah maceuh teuing tapi da teu tiasa dibejaan. Karek oge dibejaan manehna kalahkah miluan ulin karet jeung barudak awewe. Pas manehna nyobian luncat karet anu jangkung calanana jol soek tuluy diseungseurikeun ku barudak awewe. Manehna langsung lumpat ka luar lantaran era calanana soek gede pisan. Teu ereun di dinya, isukna basa manehna ka sakola oge masih keneh dihereuyan ku barudak lamun manehna maceuh teuing bisi calanana soek deui. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5255", "text": "Riki kantos daftar ka UIN Sunan Gunung Djati Bandung jalur prestasi. Anjeuna gaduh sertifikat prestasi juara tilu cerdas cermat umum tingkat kabupaten. Tos optimis we bakalan lebet. Eh pas hari pengumuman, jol teh Riki dinyatakeun teu lolos. Tidinya Riki ngarasa kecewa jeung sedih pisan, sabab UIN teh hiji-hijina kampus nu dipikahoyong ku Riki. Rasa sedih jeung kecewa ngajadikeun Riki sempet ngarasa down sababaraha poe. Ngan kudu dicandak hikmahna we, meureun rezeki masuk kampusna teh aya dina jalur lain, aya dina jalur nu can dicobian ku Riki. Najan sedih jeung kecewa ge da angger kedah tetep maju jeung berusaha, ulah jadi putus harepan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8536", "text": "Di dieu aya sababaraha cara pikeun nungkulan isin ngabogaan hutang badag. Janten kabuka sareng jujur ​​ngeunaan kaayaan kauangan anjeun tiasa ngabantosan ngirangan beban sareng nyayogikeun dukungan ti anu anjeun dipikacinta. Diskusikeun masalah anjeun sareng profesional kauangan sapertos konsultan kauangan atanapi perencanaan kauangan anu tiasa ngabantosan anjeun ngatasi hutang anjeun sareng ngadamel rencana pembayaran anu realistis. Diajar ngeunaan masalah finansial anjeun sarta kumaha carana nungkulan hutang anjeun. Ieu bisa mantuan anjeun ngarasa leuwih alus sarta mantuan anjeun ngarasa leuwih kontrol. Robah gaya hirup anjeun pikeun nyocogkeun panghasilan anjeun sareng ulah ningkatkeun hutang. Ieu tiasa ngabantosan anjeun ngatasi masalah kauangan sareng ngajantenkeun anjeun langkung sae. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2216", "text": "Posisi kuring teh siga buah simalakama, Jaman mimiti pepegatan, kuring méh méh gélo keur basa ribut bae kolot. Jigana sanggeus cerai, ogé dipigawé bakal anteng jeung tentrem hate kuring teh . Tapi tétéla henteu. Nalika kuring caket sareng bapa, ibu ngahampura. Bapa sareng kulawarga ogé badmouth indung. Jeung sabalikna. Nalika kuring deukeut ka ibu, bapa ngahampura. kulawarga indung bapana badmouthed. Nepi ka kuring mikir \"Kuring teh getih daging maneh. Maneh terus saling ngahina, kuring ngarasa jadi manusa pangkotorna di bumi ieu. Lahir ti dua manusa kawas anjeun. Naha anjeun teu sadar, anjeun teh kolot kuring?\" kudu na kolot teh nyaho yen kuring teh hasil ti maraneh duaan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1070", "text": "Sagala rupa patarosan jeung rasa hariwang muncul dina pikiran, siga naha operasina bakal lancar, jeung naha urang bakal ngarasa nyeri, atawa kumaha mun kajadian komplikasi? Biasana samemeh operasi, bakal panggih heula jeung tim medis nu bakal ngajalankeun operasi, siga dokter jeung perawat. Anjeunna bakal mere informasi ngeunaan persiapan operasi, mulai ti sabaraha lila ulah dahar atawa nginum samemeh operasi, nepikeun ka jenis anestesi nu bakal digunakeun salila operasi. Saenggesu eta bakal dipenta jang make pakean operasi jeung dibere ubar-ubaran nu diperlukeun samemeh operasi dikawitan. Saenggeus pasien sare lantaran efek anestesi, operasi dimimitian. Saenggeus operasi rengse, pasien bakal dibawa ka ruang pemulihan jeung dibere waktu jang pulih tina efek anestesi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "715", "text": "Basa dihina irung urang gede bentukna siga bangkong, urang teu tarima. Nu sok ngahina kitu teh biasana teu boga kawas batur nu ku manehanana hina. Karek sadar teh sabab pas ninggali irung manehanana oge irungna pesek, tapi ku urang mah tara ditembalan nu kitu mah. Tapi harita mah sabab inget ka aki urang, sabab irungna sarua jadi weh urang mikirna teh manehna oge sacara teu langsung ngahina aki urang. Matakan ngambek \"Emangna naon mun irung urang gede siga bangkong? Masalah? Nganganggu kana kahirupan maneh?\". Nya meureunan tadina mah heureuy, tapi ceuk urang mah loba bahan jang heureuy teh lain ku cara ngahina fisik batur nu aya nyeri hateeun batur teh. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "269", "text": "Kudu ajakan budak laleutik miluan lomba agustusan sabab bisa ngajarkeun sportifitas ka budak. Prinsip sportifitas nu kudu diajarkeun ka budak leutih pas miluan lomba nyaeta, lamun eleh ulah nyieun alesan, lamun meunang ulah sombong, kudu diajar tina kasalahan, kudu ngalakonan nu paling alus, lamun batur ngalakukeun kasalahan kudu tetep ngahindaran kritik, jeung tunjukeun rasa hormat ka diri sorangan, tim, jeung panitia. Kudu miluan aturan nu geus ditetepkeun. Jelaskeun ka budak lamun peraturan dijieun ngameh bisa dimaenkeun sacara teratur. Ulah sakali-kali ngadukung budak kanggo ngalakukeun hiji hal nu dilarang dina peraturan. Kudu boga oge rasa hormat ka tim nu lain jeung mun lomba beres dipungkas ku cara sasalaman.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2519", "text": "Pas tanggal 23 Séptémber 2017, kejutan ulang taun anu kuring moal hilap nyaéta pernikahan indung kuring.\r\n\r\nTilu dinten sateuacanna, kuring henteu terang naon anu badé diayakeun di bumi, sabab kulawarga kuring sibuk pisan nyiapkeun pesta ieu. Kuring teu mikir nanaon pisan.\r\n\r\nTapi dinten sateuacan kawinan, indung kuring nyarios yén dina ulang taun kuring, bakal aya pernikahan antara indungna sareng lalaki anu dipikacinta saatos lami. Abdi bagja, upami indung abdi bagja.\r\n\r\nSumuhun, abdi bagja pikeun ibu. Sahenteuna dina ampir 4 taun nyalira, mom kapanggih batur manehna dipikacinta. Ieu kejutan ulang paling unforgettable keur kuring. Teu aya jajan, teu aya kado, teu aya lagu ulang taun, kuring bakal bagja pisan.\r\n\r\nEnya, sanajan kuring teu pati resep ka bapa tiri jeung anak-anakna, tapi teu kunanaon. Éta henteu masalah. Haha.\r\n\r\nKuring moal poho yén kejutan ulang taun teh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "225", "text": "Urang leuwih bungah lamun meuli barang ti online, sabab bisa ngabandingkeun barang di tiap toko. Sakapeung barang nu kualitasna sarua hargana bisa beda. Loba oge potongan harga, bisa mangrupa voucher, cashback, jeung sajabana. Teu kudu oge kaluar imah, jadi meuli bisa di mana wae asal aya sinyal internet. Meuli online oge loba piliheun, bisa dina segi ukuran, warna, kagunaan, nepikeun hargana nu variatif. Tapi balanja online oge aya kakuranganna, siga teu bisa ngecek kaayaan fisik barangna. Komo misal lamun meuli sapatu, sakapeung mah ukuran tiap toko beda sanajan geus aya ukuranna oge. Tuluy warna nu datang oge sok beda jeung anu ditampilkeun di layar HP. Ieu bisa jadi sabab beda-beda pencahayaan tiap HP jadi warnana siga nu teu luyu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6080", "text": "Salah sahiji mitos nu aya ti zaman baheula teh nyaeta ngeunaan tara betahan di imah batur. Biasana mah mun ulin atawa kunjungan ka imah batur atawa imah dulur nu jauh ti lembur teh nyebabkeun timbul rasa teu betah jeung loba kasieun. Sakumaha ngeunaheun na oge imah jeung lingkunganna angger we sering teu betah. Tapi sakumaha pabalatak na imah sorangan, mantak betah we. Duka kunaon bisa kitu, tapi emang sabagean besar teh bener kajadian nana. Mitos ieu teh saolah ngubah mindset jalma ngeunaan unsur kabetahan di sahiji lingkungan. Tapi, balik deui ka jalmana. Percaya atawa henteu ge kumaha jalmana sabab loba pangalaman nu beda.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5619", "text": "Salah sahiji hal nu paling mikajengkelkeun di Indonesia teh nyaeta antrean nu disorobot. Geus mah lila kudu ngantrena, nya disorobot deuih. Nguji kasabaran pisan hal ieu teh. Teu jarang jelema loba nu ambek sabab masalah antreanna nu disorobot. Nu nyorobotna oge kadang mah sok malik galak sabab ngarasa anjeunna boga previllage. Padahal teu bisa kitu, dimana-mana ge nu ngaranna ngantri mah nya berurutan, ulah ngaclok sakumaha pentingna oge, sa batur ge sarua boga kapentingan sejen. Mun kira-kira teu sabaran jang ngantre, datangna kudu leuwih suhud ti batur supaya meunang antrean di hareup. Tong nepi ka jadi ngaclok nyorobot ka antrean batur.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2210", "text": "Sanggeus kuring digawé, kuring jatah waragad sapopoé salila 30 poé. Kuring nyimpen duit dina lomari. Tapi teu acan sabulan, duit mah sok leungit. Tungtungna kuring kudu méakkeun duit deui. Lajeng indung kuring nyarankeun yén kuring ninggalkeun sakabéh gajih ka anjeunna. Jadi unggal poé kuring bakal dibéré ongkos sakumaha kuring diitung.ngan nitip heula . Kuring geus ngalakukeun eta mangtaun-taun. Sedengkeun sésana mah teu kungsi ménta. Abdi malah teu gaduh tabungan kusabab éta. Nepi ka ngan sababaraha bulan ka tukang kuring manggihan yén indung kuring malah ngomong ngeunaan ieu. 'Si Endah tos damel, tapi sering jeung masih menta artos saban dinten. Kamana gajihna?\" Ceuk indung ka adina. Sabot kuring nyaho, kuring ngan bisa ceurik. Mangtaun-taun kuring digawé tanpa hasil sabab sagalana geus dibikeun ka kolot kuring tapi sigana teu kungsi dianggap.janten salami gawe mangtaun-taun duit teh malah eweh teu puguh, sampe kuring ayeuna teu boga tabungan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4708", "text": "Poe minggu pas keur kuliah, urang teh aya tugas kudu neangan pabrik manufaktur anu bisa di tanya-tanya masalah saputaran sistem laporan kauangan. Soalna samester 5 geus kudu nyieun proposal sakeur skripsian, proposal na teh geus di tentukeun ku dosen. Urang kabagean pabrik manufaktur, tapi kumargi aya rerencangan anu sami-sami di tugaskeun ka pabrik manufaktur urang jadi miluan nebeng neangan babarengan. Ti isuk nepi beurang jam hiji can menangkeun pabrik anu bisa di asupan budak magang, jadina urang istirahat heula di sisi jalan. Ai heug teh manggihan gerbang anu alus warna na teh koneng polos, terus urang kapikiran hayang popotoan didinya. Pas keur rek di potokeun, ujug-ujug loba sora anjing samakin lila teh samakin ngadeukeutan. Nyahona aya anjing kaluar ti gerbang koneng eta, anjingna aya opat ngudag urang jeung babaturan urang. Urang jeung babaturan urang langusng ngibrit lumpat terus naek motor tapi ku batan sieun jadi hese ngagas motorna, jadi anjingna geus deket bari ngagegel sapatu urang, untung urang make calana panjang jeung sapatu. Pas geus ngajauh ti tempat nu aya anjingna, urang ngalipir heuka ka warung didinya urang jeung babaturan ngadegdeg kasirunan terus loba anu nanyakeun ceunah majarkeun cilaka. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7310", "text": "Harta karun saharga jutaan dollar kapanggih di basisir Pulau Belitung. Harta karun ieu asalna tina kapal layar anu kalelep nalika meuntas laut ti Afrika ka Cina sakitar taun 830 Masehi. Kapal ieu kalelep dina titik 1,6 kilometer (km) ti basisir Pulo Belitung. Salah sahiji direktur di hiji pausahaan beton Jerman anu ngaranna Tilman Walterfang milu dina panimuan harta karun ieu. Manehna teuleum ka dasar laut jeung teu nyangka bakal nimu Saloba 60.000 artefak anu kapanggih ku tim Walterfang dina dasar laut. Barang-barang anu kapanggih nyaeta emas, cangkir perak jeung piring anu umurna 1.200 taun. Pihak Shanghai, Singapura sareng Doha reuwas ningali penemuan ieu lantaran harta karun ieu gaduh sajarah anu hebat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6341", "text": "Salah sahiji hal anu nyebabkeun era pisan teh nyaeta perkara hitut, komo mun hitutna di tempat umum mah. Biasana hitut teh dihindari pisan dikaluarkeun di tempat umum sabab bisa nyebabkeun era nu luar biasa. Mun keur di tempat umum teh rek hitut ge sok diempet-empet supaya teu kaluar da bisi sorana gede. Tuluy oge bisi bauna ngabaruang ka batur, jadi ngahaja we sok ditatahan nepi ka manggih tempat anu sepi. Malahan kadang mah aya nu nepi ka ditahan nepi imah da saking ku sieunna kaeraan di hareupeun batur. Biasana mah mun hitut ge sok ka WC, tapi mun di WC na loba jelema ge deuihan sok era ngabijilken nana teh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "660", "text": "Baheula keur usum permen Yosan, aya undian huruf tina masing-masing bungkusan permen Yosan anu ngabentuk huruf Yosan. Urang mindeng meuli ka warung da ari baheula mah teu ngarepkeun hadiahna, sabab resep permenna bisa dipelendungkeun. Tapi hiji waktu pas muka eusi permenna jeung muka bungkusanana, urang meunang huruf N. Huruf N ieu kaasup langka, da dina bungkusanna oge beda soalna aya tanda tanganan. Harita urang keur di imah teh langsung balik deui ka tukang warungna ngabejaan urang meunang huruf N baru geus kakumpul huruf-hurufna. Geus nungguan sababaraha lila, hadiahna ditarima pss dibuka teh mejnang kaos anu aya gambar avatar jeung tulisan Yosan. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8503", "text": "Salah asup ka jamban teh tiasa nyababkeun parasaan teu ngarareunah sareng era. Seueur jalma ngarasa teu nyaman sareng hariwang nalika lebet ka jamban anu salah, kusabab hariwang kana respon batur atanapi kusabab ngarasa teu cocog sareng lingkunganana. Era sareng kurang percaya diri oge tiasa timbul kusabab kasalahan ieu. Dina kaayaan sapertos kieu, jalma sering ngarasa kapaksa ngobrol sorangan sareng nyobian kaluar tina WC pas-gancang. Nanging, penting pikeun emut yen kasalahan eta umum sareng henteu kedah dihapunten. Asupna salah ka jamban bisa ngabalukarkeun parasaan ngarareunah, kahariwang, isin, jeung kurang percaya diri. Jalma sering nyobian kaluar tina kaayaan gancang-gancang. Nanging, penting pikeun emut yen kasalahan eta umum sareng henteu kedah dihapunten.\n", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6017", "text": "Jarum suntik jadi salah sahiji musuh besar sabagean masyarakat ti usia anak-anak nepi ka usia dewasa. Bahkan aya oge kolot anu sieun keneh kana jarum suntik. Anu ngarasa sieun ku jarum suntik mah bakal ngarasa yen mun disuntik teh peurih jeung peureusna bakal karasa pisan, padahal mah kan peureusna ge ngan saeutik jeung teu lila. Peurihna ku jarum suntik ge bakal cageur dina watu sababaraha menit. Ngan emang nu rada lila teh karasa pegelna tas disuntik, komo mun tas suntik vaksinasi mah. Mun nu sieun disuntik mah bakal nganggap yen jarum suntik teh asa sagede naon mah karasana, padahal mah da saeutik jeung leutik pisan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3422", "text": "kumaha carana ngingetkeun babaturan nu boga awak anyar nu teu karasa tapi ku kecap nu teu menyakiti?\r\n1. Ngobrol sacara pribadi\r\n\"Cukup waktos ngobrol sacara langsung, kami bakal nyarios yén bau awak tiasa ngaganggu, jelaskeun ti mimiti yén diet anjeun henteu leres, teu cekap nginum cai tiasa nyababkeun bau busuk,\" saurna. Ku cara nyarita sacara pribadi, pesen anu rék ditepikeun bisa leuwih gampang ditarima jeung teu éra jalma, sabab ngabogaan masalah bau awak bisa ngajadikeun jalma éra. Sarta ulah ngabejaan manehna di publik atawa lamun aya loba jalma.\r\n2. Pasihan sabun atanapi deodoran\r\n\"Lamun geus dicaritakeun ngaliwatan omongan, coba tingali nasehat anu dipasihkeun geus diturutan atawa henteu. Lamun henteu diturutan, cobian langsung masihan sabun atawa deodoran.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "333", "text": "Urang pindah sakolaan ka Cianjur teh kelas 4 semester 1. Harita sabab kahayang urang pindah teh lantaran urang hayang sabari masantren di pasantren lanceuk urang. Tapi teu ngan saukur pasantren hungkul, sakola oge kudu tetep lanjut. Harita pas awal-awal sakola urang rada hese boga babaturan, sabab urang masih anyar didinya. Urang oge mindeng di bully ku nu sejenna, sok dititah mencetan atawa bangku paranti diuk urang di halangan ku babaturan sabangku, nepikeun ka urang nulis na teh dina lantai bari jeung kotor sabab sapatu teh dibawa ka kelas. Urang teu wani ngalawan da awak maranehna garede dibanding jeung urang nu awakna teh ceking.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5284", "text": "Hiji poe, abdi bade uih ka lembur. Biasana abdi make angkutan umum nyaeta bus jeung elf. Tah dina elf, kabeneran korsi nu kosongna aya di gigireun nini-nini. Nya entos we teu mikir panjang abdi langsung nyengcle didinya. Pas elfna maju, di tengah perjalanan teh si nini eta nyaritakeun yen hirupna teh ngan sabatang kara, kabeh kasedihna teh dicaritakeun. Anjeuna teh bade ka Subang, ka dulurna, bade nambut acis jang mayar kontrakanna. Eta si ini teh tos sepuh pisan, tos bongkok. Abdi garespon sacukupna ka si nini. Tuluy si nini ngaluarkeun hiji samping nu geus boleas, nawarkeun ka abdi ceunah peser sabarawa we kangge mayar kontrakan da tos diusir ku nu gaduhna. Atuh abdi teh teu kiat ngadanguna, tapi didinya bingung oge. Mun dipeser sampingna meureun si nini karunya, mun teu dipeser ge karunya. Abdi emut dina kantong teh aya acis tujuh puluh jang ongkos elf. Mun dipasihkeun sadaya meureun abdi teu aya jang naek angkot. Ah bimbang pisan. Teu lami, abdi mayaran ongkos si nini we dugi ka tujuanna, teu jadi meser sampingna. Di jero hate teh hoyong pisan masihan acis, tapi bingung bilih ongkos teu cekap. Akhirna abdi teu masihan acis, ngan ngongkosan hungkul. Tah dugi ka ayeuna emut wae, coba mun harita abdi masihkeun nu lima puluh teh ka si nini, meureun moal nyesel dugi ka ayeuna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "200", "text": "Pas poe bewara SNMPTN, harita taun 2015. Urang indit ka warnet pasosore, jang ngecek hasil seleksi SNMPTN katarima henteuna. Sabab harita urang teu boga HP anu bisa internetan, jadi lamun aya tugas nu kudu ngagunakeun interneg geus pasti ka warnet. Di sajajalan indit menuju ka warnet hate teh rasana dagdigdug teu puguh, campur bungah, sieun, jeung hariwang ngahiji jadi hiji. Ku urang parkirkeun motor di parkiran, leumpang kana lawang panto tuluy diuk andiprek nyanghareupan komputer. Dina hate teh, rek kumaha wae hasilna pokona ieu geus jalan kahirupan urang, jalan nu paling alus nu ku Allah bere. Geus login kana situsna, urang nutup layar make leungeun sangkan moal reuwas teuing lamun hasilna goreng. Saeutik-saeutik layarna dibuka, aya tulisan warna hejo. Didinya urang geus yakin ditarima di paguron luhur jadi wani muka kabeh leungeun anu aya di layar. Alhamdulillah hasilna urang katarima.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1037", "text": "Mun ninggali jurig pasti hal nu ku urang lakukeun mah nyaeta maca doa. Lantaran urang yakin doa bisa ngajaga urang, kakuatan doa leuwih gede tibatan jeung kakuatan jurig. Tapi kabuktianna emang kitu, saenggeus maca doa jurig anu nampakeun dirina sok ujug-ujug ngaleungit atawa teu katinggali deui jeung moal ngaganggu. Siga harita pas keur ka toilet nu aya di sakolaan peuting-peuting lantaran urang mondok ku sabab aya acara. Di toilet teh sepi euweuh sasaha tapi asa kadengena teh gandeng pisan nu keur ngaromong. Urang langsung babacaan doa dina hate nu geus urang hapal. Nepikeun ka beres ditoilet teh teu diganggu deui jeung sora-sora nu gandeng eta ngaleungit.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7241", "text": "Saatos ngalaman sababaraha gejala sapertos batuk parah sareng muriang anu lila pisan teu ereun ereun tungtungna kuring dipariksa ku dokter. Hasilna nunjukkeun yen kuring gaduh tuberkulosis. Abdi reuwas pisan sareng hariwang ngeunaan naon anu bakal kajantenan di hareupeun kuring. Dokter ngajelaskeun yen kuring kedah ngajalanan perawatan anu panjang sareng rumit pikeun ngubaran kaayaan kuring. Kuring oge kedah diuji deui unggal tilu bulan pikeun mastikeun kuring cageur. Kusabab kuring sadar yen TB bisa gampang nyebar, abdi nyandak lengkah pikeun nyegah eta. Abdi nginum obat kalayan leres, nyingkahan kontak anu caket sareng jalma anu sanes, sareng ngajaga kasehatan sareng kabersihan anu sae.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7578", "text": "Abdi gaduh tatanggi anu ngukut soang. Sabenerna mah abdi teu sieun ka soang, malah abdi resep ningal soang, tapi saur rerencangan mah soang teh sok ngalodok. Abdi asalna teu percaya, tapi pas ningal aya rerencangan abdi nu dilodok ku soang. Abdi teu apal naha soang sok ngalodok, tapi bakating ku sieun di udag soang, abdi teu wani ngaliwat ka imah tatanggi kuring. Pernah hiji mangsa abdi bade ka warung, tapi abdi ningal di imah tatanggi kuring soangna keur dileupaskeun. Abdi ngan wani ningal ti kajauhan hungkul. Lantaran diantosan ku mamah kudu balanja ka warung, abdi langsung lumpat basa ngaliwatan soang. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3425", "text": "Indung kuring, ahli tea, sahenteuna dua kali sapoé, isuk jeung sore. Urang asli kota leutik di Jawa Tengah tea nya tangtu NasTel, tapi teu amis teuing, sok aya nu \"nyamikan\" jadi pendamping.\r\n\r\nSedengkeun bapa mah tukang nginum tea oge, tapi teu siga indung kuring anu ahli tea. Anjeun bakal ngadagoan tea pikeun niiskeun sarta inuman eta hiji gelas dina hiji waktu.\r\n\r\nSabab basa kuring keur leutik di imah mah sok adu-adu nepi ka rengse tea nu panggancangna kawas anjeun, sedengkeun dulur-dulur kuring can kungsi gancang.\r\n\r\nHiji waktu, mun teu salah, kelas 3 SiD, lanceuk kuring ngajak ulin ka imahna. Sareng nalika tea disayagikeun dina méja, réréncangan adi kuring ngajak urang nginum.\r\n\r\nAlatan kabiasaan di imah nginum teh dina hiji teguk, sarta kuring nempo yén tea teu panas, kuring langsung nyokot gelas jeung nginum dina hiji tegukan.\r\n\r\nBeungeut adina langsung semu beureum, malihan babaturan adina mah langsung ngomong, \"Akang nyieun gelas deui, jigana adina haus.\"", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1426", "text": "Keur tes CPNS tahap kadua, urang di luar gedung keneh sabab kudu nyiapkeun sababaraha berkas samemeh asup. Di luar paciweuh loba jelema keur nyiapkeun berkasna. Tuluy urang ngantri da ngarasa berkas urang geus lengkep. Pas bagian urang, geuningan KTP teh kudu di fotokopi heula. Jadi weh urang buru-buru lumpat, pas keur lumpat urang teu kahaja tijalikeuh etamah langsung ngagedebru. Era pisan ditinggalikeun ku loba peserta tes calon PNS. Nyeri mah teu sakumaha, tapi erana nepikeun ka ayeuna. Si KTP nu dicepengan oge milu potong, ku bakat benturanna tarik. Calana nu dipake rapih ti imah oge jadi kotor, lantaran kakeunaan taneuh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7222", "text": "Basa nuju mondok di imah nini abdi sareng dulur anu sanesna bobo sasarengan di ruang tipi, urang sadayana ngahaja lalajo pelen jurig, padahal eta teh nuju malam jum'at. Abdi tos ngabejaan nu sanes supados nongton pilem anu lain wae supados teu sieun. Tapi manehna tetep keukeuh rek nongton pilem jurig wae. Pas pilem na geus ereun abdi teu tiasa bobo. Abdi nyandak cai ka dapur, pas di dapur abdi ningal aya hiji jalmi anu ngangge acuk hideung cicing di caket dapur, sugan teh eta aki atawa emang, tapi pas ditanyakeun isukna teu aya nu ngaku. Abdi langsung nyaritakeun ka sadayana anu abdi tempo pas peuting.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6283", "text": "Kamari abdi ameng ka bumi kosong nu aya di deukeut imah nini. Nu gaduh na teh tos ninggalkeun bumina ti lima taun katukang. Jadi, bumi na teh geus teu kaurus pisan da teu pernah didatangan deui ku nu gaduhna. Pas barang muka gerbang na ge geus seueur pisan ramat lancah dina pagerna jeung dia bangunan nana. Pas nyobian asup ka buruan na ge loba pisan kecoa nu kalayapan. Kecoa na teh barijil tina tihang jeung ngajalar ka mana-mana. Loba pisan kecoa na teh mantak gila ningali na oge. Abdi buru-buru we uih deui ka imah da gila nempo kecoa nu sakitu lobana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7333", "text": "Abdi paling sebel ka lalaki anu tukang salingkuh lantaran salingkuh teh mangrupakeun hal anu teu tiasa dimaapkeun ku abdi. Teu aya nu ngaranna jalmi anu salingkuh lantaran khilaf, sadaya anu dilakukeun ku tukang salingkuh pasti dilaksanakeun dina kaayaan sadar. Salingkuh oge moal kajadian lamun ngan hiji jalmi hungkul anu hayang, pasti aya usaha ti duduana. Matak tong percaya lamun aya nu salingkuh nyebutna pedah khilaf. Oge ulah nyalahkeun jalmi anu disalingkuhan hungkul, jalmi anu nyalingkuhan oge salah. Ulah percaya ka jalmi anu geus salingkuh lantaran salingkuh mah adat anu awon. Sakali salingkuh kamungkinan bakal salingkuh deui. Moal matak tobat jalmi salingkuh mah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "213", "text": "Saenggeus prasidang, meureun aya kana 6 bulanan bakal diayakeun sidang. Urang ge ngusahakeun supaya bisa kaudag jeung miluan sidang bulan Desember, ngameh wisudana bulan Februari. Pas poean sidang, urang make jas warna hideung, kemeja bodas, make dasi oge, tuluy calana jeung sapatuna warna hideung. Anu rek sidang, narungguan di deukeut panto rohangan sidang, sabari nungguan dipanggil hiji-hiji. Pas giliran urang, urang leumpang menuju korsi sidang, anu dirasakeun degdegan pisan. Urang diuji ku opat dosen, aya kana 30 menitan sidang urang beres. Geus kitu, urang kari nungguan hasilna saenggeus lohor. Pas lohor kabeh peserta sidang ka rohangan, disebutan ngaran hiji-hiji. Teu lila ngaran urang dipanggil, alhamdulillah urang lulus jeung meunang nilai anu memuaskan. Didinya arurang ajrug-ajrugan kubakat bungahna. Pas kaluar gedung, geningan loba babaturan nu nungguan jang ngucapkeun wilujeng sakaligus mere bingkisan. Bingkisanna rupa-rupa aya nu di wadahan, aya nu di kalungkeun, aya oge nu mere kembang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "262", "text": "Basa miluan organisasi Ais Pangampih, urang asup ka anggota Medfo. Ais Pangampih teh hiji organisasi jurusan, sedengkeun Medfo bagian nu nyekel sosial media jurusan sakaligus posting sagala informasi ka media sosialna. Harita urang di Medfo teh aya kana sataunan. Di akhir kapengurusan biasana sok diayakeun malem puncak, malem puncak ieu dieusian ku acara hiburan band-band tiap kelas jeung dipanungtungan acara aya bewara divisi nu paling alus kinerjana salila sataun eta. Pas diumumkeun teh divisi Medfo jadi divisi nu paling alus kinerjana. Nu kahareup panggungna jeung narima penghargaan teh urang, sabab urang nu salila ieu nyekel medsos. Hadihana teh mangrupa piagam, make bingkai warna bodas tuluy dibungkus make bungkusan warna hideung.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6940", "text": "Aya salah sahiji dulur kuring anu gaduh carita cinta anu gagal. Manehna teu janten nikah sareng kabogohna lantaran calon pamajikanna kapanggih salingkuh jeung lalaki anu sanes, padahal lalaki eta teh babaturan manehna sorangan. manehna teu percaya yen babaturanna ngalakukeun hal anu nyieu manehna kuciwa pisan. Padahal sagala persiapan tos dilakukeun. Manehna tos nyewa gedung, tos mesen dahareun jeung tos mecakan acuk kanggo akad jeung resepsi, untungna ondangan teu acan disebarkeun ka tamu. Awalna manehna manggihan calon pamajikanna keur duaan di hotel sareng rerencanganna. Manehna langsung ngabatalkeun nikahanna jeung bersyukur pisan lantaran kaburukan calon pamajikanna ditunjukkeun sateuacan nikah, janten manehna kahindar ti jalmi anu jahat. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8535", "text": "Jalma mindeng ngarasa isin ngabogaan hutang badag sabab ngarasa saolah-olah teu bisa minuhan kawajiban finansial maranehanana atawa nyieun pilihan finansial katuhu. Aya stereotipe yen jalma anu gaduh hutang ageung henteu tanggung jawab atanapi gaduh gaya hirup anu kaleuleuwihan. Kamakmuran oge tiasa ngabendung tina kasieun kumaha jalma-jalma bakal nganggap aranjeunna. Aranjeunna tiasa hariwang yen batur bakal ningali aranjeunna salaku jalma anu teu tiasa ngalaksanakeun kawajibanna atanapi salaku jalma anu teu tiasa ngatur artos kalayan sae. Nanging, kedah emut yen hutang tiasa kajantenan ka saha wae, henteu paduli kumaha oge aranjeunna ngatur kauangan. Aya rupa-rupa faktor nu bisa ngakibatkeun hutang, kayaning leungitna pakasaban, kasehatan goreng, atawa apngaluaran teu kaduga. Jadi, teu perlu ngarasa isin atawa teu aman boga hutang. Anu penting nyaeta pikeun ngarencanakeun pikeun nganyahokeun masalah sareng ngamimitian jalan pikeun stabilitas kauangan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1012", "text": "Kesang ngucur, jeung teu wani ninggali kahareup pas ditodong make pestol di jalanan anu sepi. Reflek ngomong \"Ampuun...ampuun, salah naon urang?\" Dua leungeun urang bari diangkat ka luhur sajajar jeung ceuli. Manehna ngaratakan kana saku urang, saku jaket jeung saku calana. Neangan barang nu bisa dibawa ku manehanana. Singhoreng teh manehanana rek ngarampok. Urang cicing dikaratakan teh, da rek lumpat sieun ditembak. Tapi di sisi lain, naha eta teh bener senjata asli lain mainan? Lamun mainan mah urang rek langsung lumpat ka tempat nu rame, da 100 meter tidinya ge geus aya tempat anu rame. Tapi urang teu bisa gerak sabab sieun tea, bisi beneran di tembak tuluy maot, mending ngaikhlaskeun barang urang dicokot.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4300", "text": "Basa pandemi usum covid kamari, loba pisan jelema anu di vonis covid, lamun ka jelema anu ges kolot jeung geringan mereun veus teu pati reuwas nya, tapi nyatana loba jelema sehat wal'afiat seger ujug ujug di vonis covid. Hal ini anu ngareuwas keun loba jelema, reuwas nanya nanya keun gening kumaha bisa kitu teu sangka jeung reuwas ka kaayaan dirina sorangan ku sabab covid kan babari jeung gancang pisan nepakeun ka jelema anu sejen na. Urang anu ges digawe sapopoe bareng pan reuwas lamun ujug ujug babaturan positif covid kusabab sapopoena sehat seger jadi teu sangka pisan jeung deui khawatir lamun urang ge bisa kena covid. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7826", "text": "Salah sahiji alesan kuring kirang resep kana lauk nyaeta lantaran abdi kirang resep kana bau hanyir. Lamun keur lapar tapi teu aya deui dahareun salian ti lauk, abdi mah kajeun nyieun sangu goreng atawa sangu sangrai tibatan ngadahar lauk. Komo lamun nuju naek gunung, pasti sok aya wae nu mawa lauk sarden dina kaleng kanggo emam di gunung lantaran dianggep salaku dahareun anu praktis, kari dihaneutkeun hungkul dina seneu, tiasa langsung diemam. Lamun rerencangan dalahar sarden pasti abdi moal miluan dahar lantaran teu kiat kana bau na. Pernah sakali kuring dahar, teu lila langsung hoyong utah jeung seueul pisan dina beuteung. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9546", "text": "Sarah hudang kalawan hate nu ngembang jeung perasaan anu sumringah. Dinten ieu, saparantos anjeunna ngantosan mangtaun-taun. Anjeuna bakal nikah jeung Habibi, lalaki nu geus jadi kakasihna leuwih ti lima taun. Sarah sareng Habibi parantos ngarencanakeun pernikahanna sacara saksama, mastikeun yen sadaya detailna diurus ku duaan. Sareng ayeuna, sadaya kerja kerasna bakal jadi hasil. Sarah make gaun panganten nu geulis tur mewah kaluar ti kamarna. Anjeunna reuwas ningali kulawarga jeung babaturanana nyiapkeun kejutan pikeun manehna. Aranjeunna anu aya di dinya seuri bari surak nalika Sarah muncul. Sarah terharu sareng nganuhunkeun pisan ka sadayana anu parantos ngabantosan anjeunna dina nyiapkeun pernikahanna. Anjeunna terang yen teu aya anu tiasa ngagentos kulawarga sareng babaturan anu satia. Sarah jeung Habibi meakkeun pesta pernikahan maranehna ku kabingah, dansa, seuseurian bareng jeung senang-senang jeung kulawarga jeung babaturanna. Poe eta jadi poe nu pangindahna dina kahirupan Sarah, sarta manehna teu bisa nahan rasa bagja jeung bersyukur kana sagala nu dipiboga.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7011", "text": "Ayeuna tos taun kalima abdi cicing di negara batur. Tos seeur pisan kasusah anu kuring alaman. Inget pisan baheula waktos mimiti ka dieu sorangan teu dibaturan ku sasaha, kuring diajar sagalana sorangan, lamun aya masalah kuring teu tiasa naros ka sasaha, kedah neangan sorangan, lamun sedih oge disimpen ku sorangan sabab teu aya sasaha deui salian ti diri sorangan jeung Alloh anu tiasa ngabantosan kuring. Hal ieu ngajadikeun kuring jaten jalmi anu mandiri, teu ngandelkeun jeung nyusahkeun batur. Malah ayeuna mah kuring anu sok ngabantuan batur sabisa kuring. Seeur rerencangan kuring anu naros ka kuring. Kuring seeur pisan diajar hal anu anyar salila cicing di dieu. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8976", "text": "Cara salajengna pikeun ngatasi kasieun disuntik nyaéta latihan pernapasan. Cara ngungkulan sieun disuntik ogé tiasa dilakukeun ku latihan téknik pernapasan, sabab upami sistem pernapasan urang lancar, tekanan darah urang ogé bakal stabil. Urang tiasa ngalakukeun metode ieu nyalira ku milarian posisi linggih anu nyaman sareng tonggong lempeng tapi ulah tegang. Teundeun salah sahiji leungeun anjeun dina beuteung handap anjeun sarta lalaunan tarik napas ngaliwatan irung anjeun, teras buang napas lalaunan ngaliwatan baham anjeun ogé. Sangkan hasilna sae, urang kedah ngulang téhnik engapan ieu lima kali. Pikeun hasil anu maksimal, laksanakeun latihan pernapasan tilu kali sadinten salami saminggu sateuacan suntikan anu dijadwalkeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1076", "text": "Baheula mah keur SD mindeng teh aya siswa kudu di suntik, biasana datang ti pihak puskesmas ka sakola. Tuluy dibere vitamin C mun geus beres disuntik teh. Tah harita samemeh aya ti pihak puskesmas nu datang, barudak geus rame di kelas teh ngabejaan yen arurang bakal disuntik. Ku kituna pas hari H bakal disuntik, bakat ku sieunna pas jam istirahat urang kabur jeung si Nana oge si Mamang ka kebon anu aya kuburan. Didinya teh nyumput nepikeun ka penyuntikan eta beres. Pas geus katinggali balik petugasna, urang tiluan balik deui ka kelas, bari ditanya ku guru teh, pokna \"Naha tadi mah euweuh? keur kamana?\" Urang ngajawab, \"nuju mules bu, janten uih heula\".", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "357", "text": "Urang kudu ngahargaan naon nu geus dilakukeun, tapi sababaraha jelema sok ngarasa kuciwa ku tindakanna sorangan. Tangtuna aya sababaraha alesan, di antarana nu kahiji nungtun hasil nu sampurna. Hiji jelema nu nungtut hasil nu sampurna dina tiap pagaweanna bakal mindeng ngarasa kuciwa ku tindakanna sorangan, komo deui lamun geus berusaha keras jang hal eta. Nu kadua, hayang dihargaan. Jelema nu hayang dipuji ku batur oge mindeng ngarasa kuciwa, sabab ngagantungkeun perasaanna kana respon batur, padahal can tangtu batur ngalakukeun hal siga nu diharepkeun. Nu terakhir ngarepkeun balesan. Ngarepkeun babales ti batur atawa pamrih oge bisa nyebabkeun hiji jelema ngarasa kuciwa kana tindakanna. Misalna nyieun kaalusan, tapi geningan batur nu narima kaalusanna teu males ku hal nu sarupa.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "659", "text": "Sabenerna urang mibogaan Facebook teh ngan aya niatan hiji, nyaeta bisa panggih jeung babaturan SD urang jaman baheula. Lantaran baheula mah can usum media sosial teh. Nepikeun ku urang sok di teangan hiji-hiji ngaranna nu ku urang inget keneh. Susuganan ngaranna teh sarua jeung ngaran aslina teu aneh-aneh. Ku urang sok di chat heula bari ngawanohkeun diri meh manehanana apal saha urang. Tuluy mun geus kontak jeung terhubung, ku urang sok diajak panggih tah, eta oge kun masih keneh sa kota atawa sa tempat anu teu jauh-jauh teuing. Sakapeung mah sok reuwas lantaran awak jeung beungeutna teh rada robah nu baheula mah dekil ayeuna mah berseka. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "307", "text": "Di PHK emang rasana sedih, tapi ulah katutuluyan sedihna, urang ge kudu bangkit. Tapi tiap jelema pasti boga cara sorangan jang nyanghareupan PHK. Tapi PHK lain hiji hal nu babari jang lolobana jelema. Nu perlu dilakukeun, kahiji kudu boga sikep tenang. Euweuh gunana ngambek atawa emosi, kumaha wae ge PHK geus kajadian, jadi kudu bijak nyanghareupanna. Tuluy ulah nyalahkeun saha wae ge, ulah nyalahkeun perusahaan, lantaran PHK pasti geus dipertimbangkeun. Oge ulah nepika ngurung diri sorangan, kudu nyoba membuka diri jeung nyarita ka kulawarga atawa babaturan ngeunaan kasusah nu keur disanghareupan. Nu terakhir kudu nyusun strategi, lamun sedih jeung kuciwa na geus leungit, buru-buru atur strategi jang kahareupna rek kumaha.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4067", "text": "Pas kuliah kan urang ti samester hiji nepika samester lima akhir di bobodo wae ku hampir kabeh babaturan di kelas, kabeh mun aya tugas pasti niron na teh ka urang. Komo nu keur kuliah bari di gawe mah geus moal pisan ngagawean tugas teh, gadag na niron jiga eweh tanggung jawabna pisan. Asa karunya ka kolotna meunang cape-cape nyakolakeun tapi tung-tungna mah teu meunang nanaon, kadang urang sok aneh ka maraneh na jiga eweh ka era ujug-ujug motokeun buku urang. Mun tujuan sakola niatna hayang meunangkeun gawean anu alus, nya kudu aya usahana oge tong bisa na ngandeulkeun niron ka batur. Percuma weh ngan meakeun waktu, datang ka sakola teh ngan ulin hungkul. Geus mah meakeun duit kolot sakeur biaya kuliah anu ngajuta-juta, di tambah meakeun duit jang ongkos jajan oge. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2103", "text": "Taun 2017 Mangrupakeun téh mangrupa taun anyar sistem ujian nasional.Saloba 16 siswa anu meunang dina CBT (Tes Berbasis Komputer) try out berbasis kejujuran atawa Ujian Nasional Berbasis Komputer (UNBK) pikeun tingkat SMP, meunang pangajén. ti Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka (Dispendik). Para juara uji coba kajujuran berbasis CBT dihadiran ku guru sareng kepala sekolah masing-masing. Malah aya nu dikirim ku kolotna. nu salah sahiji mangrupakeun rai simkusing, bangga pisan maneh na teh ker bisa jadi juara try out ni alhadulilah ker basa pangumuman hasil UN na pun rai teh nilai na teu beda jauh ti nu tryout na kamari, rees pisan jeung bangga jadina teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6256", "text": "Sababaraha penyebab jalma utah teh nyaeta rupa-rupa. Kahiji nyaeta mabok kendaraan. Biasana jalma nubtara iinditan mah sok mabok mun naek kendaraan teh. Komo mun perjalanan jarak jauh. Nu kadua nyaeta kahamilan. Mun keur hamil muda mah biasana sok sareueul, sok hayang utah wae nempo nu bau-bau teh. Nu katilu nyaeta panyakit asam lambung. Biasana nu gaduh asam lambung mah sok ongkek wae sabab ngarasakeun seueul nu luar biasa dina angenna. Nu kaopat nyaeta karacunan makanan. Tah mun karacunan makanan ge sok diawali ku utah sabab respon jero tubuh nu ngaluarkeun bakteri racun dina awak. Mantakna, mun karacunan teh sok ditandaan ku utah-utahan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "669", "text": "Maen mesin capit teh sabenerna susah-susah gampang, sabenerna aya trikna nu mun bener mah urang bisa meunangkeun hadiah ti jerona. Kajadian pas maen mesin capit nu hadiahna teh boneka, eta mah nepikeun ku petugasna diusir lantaran meunang wae. Hadiah nu ku urang bawa teh loba di kana keresekkeun, rada riba sih soalna dibawana kana motor. Tatangga urang nu ninggali teh panasaran, tuluy nanya naha bisa meunangkeun loba, sedengkeun manehanana maen wae ge teu meunang-meunang. Saenggeus kitu ku urang dibejaan trikna ngarah meunang, sorena manehna indit ka tempat eta jang ngabuktikeun bener teu bakal meunang. Pas dicobaan sakali teh bener meunang, manehna reuwas geuningan aya trikna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6837", "text": "Kanggo kuliah sapopoe abdi ngangge leptop urut pun bapa. Ieu leptop tos dipake leuwih ti tujuh tahun, tapi alhamdulillah masih kene tiasa dipake. Tapi kadang leptop ieu oge sok dipake ku pun adi anu tos mulai kuliah oge, janten make na kedah giliran. Abdi sabenerna hoyong pisan meser leptop nyalira supados teu kedah parebut leptop sareng nu sanes, tapi abdi teu gaduh simpenan anu cekap kanggo meser leptop, ahirna abdi mutuskeun kanggo meser tablet lantaran tiasa kabeuli, jeung lamun tos teu pati periyogi abdi masih keneh tiasa ngajual ieu tablet. Tablet ieu enakeun kanggo dipake maca jeung ngetik, abdi oge kadang-kadang nonton di tablet ieu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8487", "text": "Waktu eta, Minggu, 10 Nopember 2019, pas dina upacara mieling Hari Pahlawan Nasional di Taman Makam Pahlawan (TMP) Kalibata mah jadwal tugasna Dessy ngaliput. Sapertos upacara-upacara biasa, acara mieling ieu oge dilaksanakeun enjing-enjing tabuh 08.10 WIB. Pikeun ngaliput ieu acara, panitia ngayakeun rohangan husus pikeun wartawan. Dessy ditempatkeun di rohangan hareup teu jauh ti tempat Presiden Jokowi nangtung pikeun memimpin upacara. Bari masih leumpang, Dessy teras kaget ku ayana Presiden di lokasi upacara. Teras Dessy lumpat lalaunan supados tiasa dugi ka lokasi khusus dimana wartawan ditempatkeun. Ujug-ujug, \"wreeeekkk\" Dessy reuwas kadenge sorana. Sora kaen nu dirobek-robek jeung gancang oge nyieun tamu ondangan sejen neuteup ka Dessy. Ieu ngerakeun sabab calana Dessy soekna cukup lega di katuhu dina pingping. Dessy hoyong ceurik sareng uih deui ka bumi.\n\n", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8227", "text": "Upami keur dikebon tur manggihan bagong tong panik tur loba gerak. Komo mun jarak bagongna caket ceuk urang. Bagong teh tiasa nyerang urang tur nyilakakeun, kusabab huntuna nu seukeut tur lumpatna nu tarik. Upami urang ngarewaskeun bagong, ieu hiji sato tiasa ngamuk tur nyerang urang. Upami diudag aya babaraha cara nu tiasa urang lakukeun pikeun salamet ti udagan bagong. Upami aya tangkal urang kudu gera-gera naek ka eta tangkal kusabab lumpatna bagong teh leuwih tarik dibandingkeun manusa, arek satarik naon ge urang tetep kaudag. Upami teu aya tangkal nu tiasa ditaekkan urang tiasa lumpat nanging arah lumpatna zig-zag. Urang tiasa mineng ngarubah arah sawaktos lumpat sapertos mengkol ka kenca atanapi ka katuhu. Cara ieu teh dilakukeun kusabab bagong teu tiasa malik upami keur lumpat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7511", "text": "Basa nuju ngantosan di hiji toko, abdi teu kahaja ningal aya maling di hareupeun kuring, awalna mah abdi bade ngagorowok supados manehna ditewak ku warga tapi manehna kalahkah ngancem kuring, ceunah lamun urang ngalaporkeun ka pulisi abdi bakalan janten korban oge, abdi sieun bisi kalahkah beunang masalah janten abdi api-api teu apal supados teu nyilakakeun diri sorangan, untungna di warung abdi aya cctv janten manehna tiasa katewak ku pulisi. Tuluy abdi oge mutuskeun kanggo ngalih gawe ka tempat anu sanes supados teu patepang deui jeung eta maling lantaran bisi manehna mikir yen manehna ditewak ku polisi teh pedah kuring nu ngalaporkeun ka pulisi. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1039", "text": "Keur ngabangun lantai opat di sakolaan SMA. Harita ku sabab loba siswa anyar nu daptar jadi pihak sakola teh ngabangun deui nambahan lantai jang nyieun ruangan kelas jeung perpustakaan. Ku sabab urang mah kelas PKU, nyaeta kelas unggulan, jadi sok aya tambahan pembelajaran nepikeun ka sore. Beda jeung kelas biasana nu nepikeun ka jam 2. Harita teh keur latihan nari ku sabab bakal aya praktek seni budaya. Urang jeung babaturan teh aya di lantai 3 latihanna. Pas geus sore tereh magrib, arurang rek balik. Di luar kelas urang ninggali kaluhur, eta mah reuwas ninggali jurig make kaen warna bodas. Geus ninggali kitu mah tuluy buru-buru lalumpatan ka handap bari ngadoa sapanjang turun dina tangga.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9267", "text": "Kuring boga hiji pangalaman ngerakeun pisan. Harita teh kuring karek diajar naek motor, karek bisa maju jeung ngerem hungkul, can bisa belok-belok. Basa keur istirahat di hareupeun imah teh, jol adi kuring kalah nyo'o gas motorna, atuh maju teu puguh eta motor teh, bari kuringna oge teu bisa ngendalikeunna teh. Eta mah nabrak motor nu tatanggi, beusi motorna baret jeung lampu tukangna peupeus. Itu mah ku bapa kuring kami dicarekan bebeakan. Ceunah ulang sok nyo'o kana barang teh, jadina bapa kudu mayar ganti rugi ka tatanggi kuring. Meni era pisan sejujurna mah, engke-engke deui moal ngajak adi kuring lamun keur diajar motor, bisi kajadian deui. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4412", "text": " Kolot lamun masih keneh make cara kakerasan ka budak na keur ngadidik misalkeun make cara ngagebug, neungeul jeung sajabana kudu di robah carana ngadidikna. Kekerasan henteu ngan ukur nyeepkeun tatu dina awak budak, tapi oge emosional, kalakuan anu nyimpang, sareng turunna fungsi otak. Malah kualitas hirup barudak anu jadi korban turun. Tatuna ninggalkeun sidik sanajan dina umur sawawa korban. Ku sabab kitu, ulah anggap remeh kajahatan jeung kekerasan ngalawan barudak. Dampak tina kekerasan langkung karasa ku lalaki anu ngalaman kalakuan eta nalika anjeunna murangkalih. Kanyataanna, korban ngarasa depresi sarta trauma sanajan geus dewasa sarta jadi bapana. Henteu ngan ukur korban, budak oge berpotensi jadi palaku kekerasan. Aya sababaraha hal anu memicu budak jadi palaku kekerasan. Salah sahijina korban kekerasan pangalaman jadi korban kekerasan ngajadikeun hiji jalma ngarasa teu daya. Sanajan kitu, ieu ngakibatkeun korban teu hayang ngarasa daya teu upaya deui. Bisa jadi korban hayang males dendam. Gangguan kaséhatan méntal anu paling umum anu disanghareupan ku murangkalih anu janten korban kekerasan. Sabab ngarasa frustasi jeung jengkel. Teu jarang, pikeun ngungkulan rasa hariwang, barudak ngalakukeun kekerasan ka jalma sejen. Matakna kolot kudu ngarubah pola didik na, kusabab tegas pan teu kudu make kakerasan, soalnalamun di kerasan budak kalahka bisa ngambek jeung ngalawan ka kolot na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9021", "text": "Aya hiji carita basa kuring keur ka puncak naék motor. Salila perjalanan, jalur anu ku kuring ambil teh nanjak, untung motor anu kuring bawa masih aman, ngan rada leuleus kusabab beurat teuing. Tapi dina perjalanan ka imah, jalur anu kuring lalui teh mudun. Kuring ngaraos awon nalika nyetir, tétéla nalika kuring narik tuas rem, motor henteu eureun wae kusabab remna blong. Harita kuring bener-bener panik, bingung kudu kumaha. Harita teh kuring geus pasrah, boh engkena bakal kacilakaan atanapi nabrak, mugia sing salamet. Tungtungna mah pas jalan di belokan, kuring nabrakeun motor kuring kana témbok, untungna teu pati nyeri. Ngan sababaraha tatu dina suku jeung leungeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9578", "text": "Andra nyaeta yatim piatu anu hirup di hiji desa leutik. Manehna henteu kantos terang kumaha rasana gaduh kolot anu salawasna aya pikeun ngajaga sareng miara anjeunna. Kusabab ti leuleutik, Manehna kudu hirup sorangan di imah leutik warisan ti kolotna. Andra sok ngarasa sedih jeung kasepian tanpa kolot anu bisa ngurus jeung mikanyaah manehna. Manehna henteu gaduh sasama anu bisa diajak ulin atanapi ngabagi carita, sabab sadayana budak di kampung ngagaduhan kulawarga anu lengkep. Sanajan mindeng ngarasa sedih, Andra teu pernah némbongkeun parasaanana ka batur. Manehna ngarti yen dirina kedah kuat sareng mandiri supados salamet hirup di dunya. Manehna digawe saban poe sangkan bisa nyumponan pangabutuh sorangan, sanajan mindeng ngarasa cepe pisan jeung hayang boga batur pikeun marengan manehna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5923", "text": "Mun rek tampil dia hiji acara atawa kagiatan teh sok demam panggung, komo mun ditonton ku loba jalma nu harebat mah. Rek tampil na ge sok ngadadak geumpeur jeung limpeur kana sagala hal nu kuduna disiapkeun. Sok aya barang nu tinggaleun tea mah, sok aya hal persiapan nu kaliwat, jeung sajabana. Mantak, supaya ningkatkeun fokus rek tampil teh kudu loba nginum cai heang supaya konsentrasina kajaga jeung ngurangan dema panggung. Mun bisa mah rek tampil teh latihan heula ku monolog atawa hareupeun kaca supaya ngurangan kageumpeur. Tng poho sarapan heula dina hari H na supaya teu leuleus pas tampil, komo nepi ka ngalaman demam panggung mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2200", "text": "Abdi sedih ku henteu mampuh janten sapertos jalma sanés. Sedih, kuring sanés jalma anu tiasa nyarios di umum kalayan gampang, atanapi gancang adaptasi sareng jalma énggal. Kuring hariwang teuing ngeunaan kahirupan sareng masa depan kuring. Kuring ceurik tengah peuting ngan kusabab hariwang. Kalayan padamelan, sareng hubungan. Kuring sering dianggap sombong, sabab kuring biasana cicingeun sareng henteu kantos ngamimitian ngobrol. Jigana teuing sarta mindeng procrastinate nyandak kasempetan alus. Kuring wasted eta sieun katempona teu mampuh tur aneh. Kuring boga loba teuing pikiran négatip. Nyatana, kuring peryogi pisan padamelan éta. pangalaman eta mangrupakeun salah sahiji cambuk jang kuring gewat diajar jang publik speaking.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9245", "text": "Kahirupan kuring jeung dulur-dulur kuring teh sabenerna teu ripuh-ripuh teuing. Unggal dinten pun biang masih tiasa masihan bekel para putrana nu masih sarakola di paguron luhur jeung di sakola menengah. Ngan tisaprak lanceuk kuring nu cikal usaha kafe na bangkrut, pun biang sareng pun bapa mimiti karepotan nyumponan pangabutuh sadidinten kulantaran mantuan lanceuk kuring mayaran sambetan nu lumayan ageung ka babaturana urut ngabangun kafe tea. Kacida pisan kuring jeung dulur-dulur kuring isin sabab unggal dinten jul jol nu nagih hutang. Sok sanajan pun biang kacida keuheulna ku kalakuan ki lanceuk nu lalawora dina ngajalankeun usahana, tapi dalah kumaha deui ukur tiasa ngusap dada bari istighfar tur ihtiar sabisa-bisa pikeun mantuan ki lanceuk. Kuring jeung adi adi kuring nu masih kuliah badami yen kuring sarerea satekah polah rek mantuan pun biang sareng pun bapa nyiar kipayah pikeun nutupan kabutuhan sadidinten.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "736", "text": "Meureun ieu mah emang kasalahan urang, harita urang parkir mobil teh ngahalangan jalan. Da jalanna teh leutik di komplek babaturan, urang keur ngalongok babaturan nu keur gering. Mimitina mah di klaksonan, eta oge urang langsung cengkat bari mindahkeun mobilna. Bari pupuntenan ka manehanana nu kahalangan jalanna ku urang, tapi manehna malah emosi turun tina mobil. Geus turun tina mobil bari nyampeurkeun urang nu rek asup kana mobil jang mindahkeun. Tuluy manehanana ngomong \"Sing bener atuh mun parkir mobil teh pan nyaho ieu mah jalanana sempit\", urang ngajawab \"punten A, da teu apal, sareng bade sakedap didieuna\". Tapi si Aa eta kalakah neunggeul. Urang nu teu narima malik neunggeul.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2147", "text": "Abdi henteu kantos ngabayangkeun naon anu bakal kajantenan upami salah sahiji kulawarga kuring maot sareng éta henteu pernah aya dina pikiran kuring, tapi Gusti milih kembang anu éndah pikeun dibawa ka surga sareng kembang éta nyaéta bapa kuring. Bapa tos lami gering, mimiti nyeri kelenjar tiroid, bapa kedah dioperasi, teras kemoterapi 35 kali, bareuh beuheungna mimiti cageur, tapi panyakit anyar muncul deui, beuteung bapa beuki ageung. , kulitna jadi hideung kawas kaduruk, sukuna beuki badag sarta warnana semu beureum, sarta pori-pori sukuna sok ngaluarkeun cai anu beurat. Tapi hal éta ngajadikeun kulawarga urang leuwih deukeut ka Allah jeung tabah dina solat. ayeuna bapa teu ngarasa nyeri deui, sabab geus lebet ka surga.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2537", "text": "Dina waktu ngomong ka serobotan antrean, kareueusna nyarita jeung langsung aya konflik emosi, sabab aya sababaraha urang anu boga prinsip aneh, \"leuwih hade maot ti boga batur nurunkeun harga diri maranéhanana di publik\". , teras anjeunna bakal terang jalma anu protés ngalawan naroskeun anjeunna pahareup-hareup, émosional sareng upami anjeunna ngagaduhan waktos, anjeunna bakal ngantosan di luar antrian. Lamun manéhna teu boga waktu dina waktu éta alatan manéhna urgently dina hal leuwih penting, mangka bakal aya dendam dina waktu saterusna lamun waktu nu pas jeung gancang. Hayu urang sadayana diajar ngadalikeun diri sakedap, langsung. Émut, \"JAGA, margi unggal jalma anu urang tepang nuju berjuang pikeun hirupna\". Urang teu nyaho naon masalah batur, urang teu nyaho kumaha batur solves masalah maranéhanana. Kami henteu terang yén aya jalma anu, kalayan émosi anu ngadadak, tiasa tusuk batur, narik naon anu aya dina cangkéngna, atanapi ngangkat barang-barang di sakurilingna sareng ngéléhkeun aranjeunna sacara ambing ngan kusabab aranjeunna ngarasa kareueusna ditincak.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7546", "text": "Ieu janten pangalaman kahiji kalina abdi donor darah diajakan ku rerencangan. Pas daftar abdi langsung dipiwarang ngeusian formulir teras nimbang beurat awak. Pas atos meunang nomer abdi digeroan ku petugasna. Pas ditaros ku dokter, anjeunna nanya abdi tos sabaraha kali donor, abdi ngajawab yen ieu nembe mimiti abdi donor. Dokterna masihan apal yen jarum kanggo donor teh leuwih badag ti jarum suntik biasana. Abdi langsung sieun ngabayangkeun nyerina kumaha. Abdi asalna tos hoyong balik wae ka imah, teu jadi donor lantaran sieun nyeri. Tapi rek kumaha deui tos kaburu daftar. Abdi oge sakedap deui giliran dicandak getihna. Ieu jigana bakal janten terakhir kalina abdi donor. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2073", "text": "Telkomsel Points nyaéta program kasatiaan ti Telkomsel pikeun para nasabahna. Kabéh nasabah Telkomsel ngabogaan hak pikeun otomatis titik dumasar kana jumlah tagihan pikeun konsumén pascabayar jeung jumlah meuli pulsa pikeun konsumén prabayar. Salaku nasabah, anjeun tiasa pariksa jumlah titik via *700# atanapi my telkomsel. Poin anu anjeun gaduh tiasa dianggo pikeun ngiringan program sapertos diskon di padagang sareng undian untung pikeun waktos anu tangtu. Pikeun ilubiung dina undian, anjeun kedah ngarobih poin anjeun kana nomer undian via *700#. Tah, kapan eta, alhamdulillah tiasa meunang Hape Percanten ka abdi… lotre Telkomsel Points anu diayakeun ku Telkomsel teh asli. Program ieu sacara resmi dumasar kana idin ti Departemen Sosial, ditarik ku ayana Notaris sareng instansi anu aya hubunganana. Mustahil pikeun perusahaan sapertos Telkomsel ngorbankeun reputasina ku ngajalankeun undian undian.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2173", "text": "Pikeun nyageurkeun trauma budak leutik, anjeun kedah ngamimitian prosés anu anjeun kedah laksanakeun ti saprak kajadian éta lumangsung. Tapi teu aya anu mustahil, sanaos butuh waktos, anjeun masih gaduh harepan pikeun pulih tina trauma anu kapungkur. Di handap ieu mangrupakeun pituduh pikeun waras tina trauma budak leutik nurutkeun Andrea Brandt, Ph.D, a nikah jeung kulawarga therapist di Amérika Serikat:\n1. Coba difokuskeun diri\nPikeun ngamimitian prosés pamulihan trauma, cobian milarian tempat anu sepi dimana anjeun tiasa fokus sareng moal kaganggu. Pastikeun anjeun ngagem baju anu nyaman pikeun ngamimitian prosés ieu. Upami Anjeun gaduh, diuk kangenah di lantai jeung panon anjeun ditutup.\nCandak napas jero, teras fokus sareng sadar kana diri anjeun. Ngarasa kumaha tiis lantai anjeun diuk dina. Bayangkeun aliran énergi tina tulang tonggong anjeun ka handap ka lantai dimana anjeun linggih. Fokuskeun pikiran anjeun kana awak anjeun sorangan tanpa kaganggu ku anu sanés.\n2. Ngingetan kenangan katukang\nAyeuna, cobian nginget-nginget kaayaan atanapi kajadian panganyarna anu ngaganggu anjeun. Lajeng, manggihan hal anu memicu émosi Anjeun. Ngelingan saloba jéntré jéntré tur ngabayangkeun diri dina waktu éta. Coba tingali jeung rasakeun deui émosi anu timbul dina waktu éta.\n", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "792", "text": "Senen pastina poe upacara keur zaman SD nepikeun ka SMA. Mun upacara tangtuna urang sok mangkat ti imah isuk-isuk. Tah harita mah urang ngahaja neundeun heula kantong di kelas, sabab waktu aya 10 menit deui, urang inisiatif ka warung heula jang jajan. Posisi warung ieu ayana di luar gerbang sakola, jadi mun rek jajan teh kudu kaluar heula gerbang. Pedah di warungna rada rame ku anu meuli, jadina nungguan pamulangan teh rada lila. Tuluy pas urang rek asup, urang dicarekan ku satpam sakola anu geus nungguan di hareupeun gerbang. Urang teu narima sabab ngarasa lain kasalahan urang, da urang mah geus tiheula nepi sakola, nepikeun ka kantong oge aya di sakolaan. Aya kana tilu menit urang parea-rea omong jeung satpam sakola, tapi tetep teu dibere karinganan, tetep dianggap telat, jadina dihukum ku guru titah ngulilingan lapangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2568", "text": " Kuring ngarasa aya anu ningali kuring ti tukang. Abdi tos suudzon, kumaha upami tetela Miss E melong ka abdi teras anjeunna kambuh teras neunggeul sirah abdi ti tukang. Muhun, éta lumrah pikeun manusa pikeun mikir ngeunaan awon. Kuring ngagancangkeun léngkah kuring, sareng ujug-ujug….\nSirah kuring didorong ka hareup jeung kuring ampir murag. Kuring neuteup ka tukang jeung manggihan Miss E keur nempo beungeut kuring ambek-ambekan jeung fists nya clenched jeung screaming di kuring ngagunakeun ngaran sato salami imahna.\nAbdi kosong sakedap. Ngan ayeuna… kakara ayeuna mah... kuring ditabrak?\nNaon anu kuring panginten janten leres?\nPokona mah pusing tjuy, bayangkeun. Leungeun ngaraketkeun dampal kana tonggong sirah. Éta nyeri. Jeung hiji anu pencét ODGJ. Abdi henteu terang naon anu salah sareng dosa abdi ...\nkuring lumpat. Enya, kuring lumpat. Balik ka imah? Oh heuh. Kuring ngudag Dolores kalayan gairah anu ngaduruk sareng émosi anu ningkat. Kumaha wani manéhna noél sirah kuring. Abdi henteu nampi waktos éta", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6011", "text": "Di tempat pagawean teh sok teu aneh deui mun dicarekan ku atasan. Bisa sabab emang urang nu salah, atawa emang atasanna nu teu baleg mere instruksi. Tah, supaya bisa ngaminimalisir dicarekan ku atasa, urang kudu leuwih pinter jeung sigap. Nu kahiji nyarta kudu maksimalkeun kinerja urang di pagawean, bere nu terbaik jang pagawean urang. Nu kadua nyaeta konsisten dina ngalaksanakeun pagawean, supaya bisa katingali progres urangna. Nu katilu nyaeta kudu wani nembal lamun emang urang ngarasa bener. Ulah sieun dicarekan ku atasan ai bener geus gawe maksimal mal, sabab teu jarang kasalahan atasan teh dilimpahkeun ka urang nu di handapeun nana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4670", "text": "Demam panggung teh rasa khawatir, panik, kasieun atawa fobia anu aya hubunganna jeung penampila di hareupeun jelema anu loba komo mun aya kamera. Lewih beurat mun demam panggung jeung sabagean jelema anu gawena emang di bagean kajuaraan saperti olahragawan, artis, jeung motivator. Soalna rata-rata di bagean eta sok loba pesaing anu ngabuat kasieunan tentang prestasi, misalna prestasi anu di harapkeun ku penonton. Akibat demam panggung anu terparah bisa ngabuat hal anu di rancanakeun gagal, hasilna malah jadi kecewa loba jelema. Mun misalna teu meunang di kajuaraan, pan eta ngajieun stress pemain padahal penonton na loba nu ngadukung. Kusabab demam panggung anu hese di leungitkeun, ngan sabenerna mah bisa di atasi mun emang aya kahayang jang berubah, soalna mun geus kabiasan bakalan hese di robahna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "684", "text": "Zaman ayeuna mah geus teu zaman mun mere kejutan nu teu mangpaat komo nu ngabahayakeun. Teu beak pipikiran da eta anu kajadian di TV, cenah mah manehna keur tepang taun tuluy dibere kejutan tapi kejutanna teh ngagejeburkeun ka walungan. Anu jelas-jelas eta bahaya pisan, kumaha mun jero jeung nu digejeburkeun teh teu bisa ngojay. Pek teh bener da pas ninggali di TV reuwas nepikeun ka nu keur tepang taun teh maot. Ampun paralun ieu mah dibere kejutan teh lainna ngabungahkeun nu keur tepang taun kalakah nyawana anu ngalayang gara-gara paripolah babaturanana. Nu mangpaat weh mun rek mere kejutan ka babaturan mah, misalna mere voucher jang dahar haratis, pasti reuwas jeung bungaheun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2853", "text": "Ancaman sareng intimidasi ku nyekel senjata api di jalan raya mangrupikeun kalakuan kriminal anu ngalanggar hukum positip. Dina ajaran Islam jelas sakumaha dina hadits Rosululloh saw yén Rosululloh saw ngadawuh, 'Ulah salah sahiji maranéh nudingkeun pakarang ka dulurna sabab manéhna teu nyaho yen syetan bisa narik pakarang tina leungeunna. manéhna ragrag kana liang naraka,’” (HR. Bukhari jeung Muslim). Dina hadits anu diriwayatkeun ku Bukhari ti sahabat Abdullah bin Umar ra, Rosululloh SAW oge nyebatkeun yen jalma anu ngancem jeung nyingsieunan sasama manusa tanpa alesan anu hade henteu dianggap bagian tina (akhlak) umat Islam. Ti Nafi ti sohabat Abdullah bin Umar ra, ti Nabi Muhammad SAW, anjeunna ngadawuh, 'Sing saha anu 'mawa' pakarang ka kami, mangka manehna lain bagian tina kami,'” (Bukhari). Aya ogé Imam Ibnu Hajar Al-Asqalani dina ngoméntaran hadits anu diriwayatkeun ku Imam Bukhari di luhur nétélakeun yén \"mawa\" pakarang dina hadits ieu ngandung harti ancaman jeung intimidasi anu dilaksanakeun kalawan todongan bedil.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8511", "text": "Diseurikeun ku babaturan sakelas teh matak pikasebeleun sabab ngebrehkeun rasa rendah diri jeung keuheul di hareupeun batur. Ieu bisa nyieun jalma ngarasa pisan teu nyaman jeung bagja, utamana lamun aranjeunna subyek perhatian sarta bahan pikaseurieun sakabeh kelas. Seuri bisa mangaruhan kapercayaan diri sarta nyieun hiji jalma ngarasa teu nyaman jeung teu aman. Hal eta oge bisa mangaruhan hubungan jeung babaturan jeung nyieun urang ngarasa teu nyaman pisan jeung bagja di sakola atawa setelan sosial lianna. Ku alatan eta, perlakuan goreng ti sakelas bisa boga epek jangka panjang dina mental jeung emosional urang. Ieu bisa mangaruhan kapercayaan diri sarta nyieun hiji jalma ngarasa teu nyaman pisan jeung bagja.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2115", "text": "euweuh panganten awewe jeung panganten lalaki meunang cukup sare dina D-1 peuting saméméh kawinan. Tambih Deui, aya seueur anu peryogi kakuatan anu langkung ageung tibatan sateuacanna. Leuwih ti éta, calon panganten lalaki pasti gugup ngeunaan teu jelas, siga teu puguh rarasaan hehehe. Muhun. Siga akad nikah di gedong-gedong umumna, waktu harita mah upacara teh jam 8 isuk-isuk jeung resepsi teh ti jam 11 nepi ka jam 2. Sanggeus kitu, kuring siap-siap balik ka imah kuring nepi ka jam opat. Waktu harita kuring jeung salaki sapuk pikeun langsung istirahat sabab isukna bakal langsung ka tempat wisata salila dua peuting tilu poe. Istilah bulan madu tiis. Tapi, saha nu nyangka? Tabuh genep peuting, PLN pareum-pareum. Ku kituna rada kagok keur urang sakulawarga di imah sabab dulur capé sarta teu boga tanaga ditinggalkeun ngan ngobrol intim.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4711", "text": "Kasieunan kanu sato di sebutna Zoophobia nyaeta kaayaan sieun kanu sato, lolobana kasieunan ku sato aya babaraha jenis teu kabeh sato di pika sieun tapi aya sabagean jalma anu sieun ka kabeh sato. Tapi rata-ratana mah jalma anu sieun kanu anjing, ucing, beurit, laba-laba, hayam ejung sajabana. Jalma anu ngabogaan Zoophobia biasana sok ngarasa cemas, panik, jeung rasa sieun anu lewih ti batas normal. Jenis Zoophobia teh beda-beda, cara nungkulanna ge pasti beda-beda. Aya anu terapi, semedi, jeung aya anu ku obat-obatan. Sabenerna Zoophobia teh lain panyakit anu mematikan, tapi biasana jalma anu ngabogaan Zoophobia bakalan hese jeung ngaganggu kahirupan. Kudu aya usaha pariksakeun ka dokter meh meunangkeun tindakan anu sakirana bisa ngaringankeun beban kasieun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8251", "text": "Urang teu tiasa ngdiagnosis nyalira upami urang ngidap agorafobia atanapi heunteu. Pikeun ngadiagnosis agoraphobia, dokter bakal nanya ngeunaan gejala anu dialaman ku pasien. Pamariksaan fisik sareng pamariksaan anu ngadukung, sapertos tes getih, ngan bakal dilaksanakeun pikeun mastikeun gejala anu anjeun alami henteu disababkeun ku panyakit sanes. Dumasar kana kriteria dina DSM-5 (The Diagnostic and Statistical Manual of Mental Disorders, 5th Edition), hiji jalma bisa didiagnosis kalawan agoraphobia lamun ngalaman sieun atawa kahariwang salila sahenteuna 6 bulan dina dua atawa leuwih kaayaan, sapertos aya di tempat kabuka, aya di kamar katutup, nangtung dina baris atawa dina riungan ngagunakeun, angkutan umum, sorangan nalika di luar imah", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6040", "text": " Kamari di Cianjur terjadi deui gempa bumi susulan. Abdi melang pisan sabab aya pun bibi linggih diditu. Pas ditelepon, untung pun bibi teh masih sehat keneh sakulawargi, teu aya nu kadampak panyakit atawa katindihan raruntuhan bangunan. Gempa na teh lumayan tarik, 5.6 skala richter, datangna teh jam satu peuting. Mantak riwan pisan bisi teu eling sabab sare tuluy katindihan raruntuhan. Abdi nyarios ka pun bibi supaya leuwih waspada jeung hati-hati dina sagala lumampah, hindari heula sagala kagiatan nu teu penting. Usahakeun standby di imah we jeung kulawarga. Geus ngadangu sakulawarga aman, abdi ngarasa reugreug, paurna teh bilih aya nu kadampak gempa susulan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4436", "text": " Di lingkungan sosial imah sorangan atawa kahirupan bertantangga oge masih aya wae perlakuan teu adil anu mindeng kajadian lamun urang di anggap jelema miskin atawa teu boga. Teu sacara lumangsung ngomong hareupeun tapi tina sikep na anu sok ngabeda bedakeun jelema. Basa dina acara selametan imah kamari, datang sakabeh bapa bapa jeung barudak pangajian biasa acarana ngaduakeun imah sangkan jadi barokah. Datang bapa bapa mawa budak na loba. Bapa bapa ieu jeung budak na emang nelah jelema teu boga didieu, jadi maranehna dahar loba mereun meungpeung aya jadi di bawa budakna sakalian, sabenerna anu boga imah mah teu masalah. Tapi kalah ka tatangga anu sejena ningalikeun siga anu geuleuh bapa bapa jeung budak na teu di tanya teu di sapa di antepkeun kitu wae. Bapa eta ngarasa ambek teu di hargaan kusabab maneh na jelem teu boga tuluy milih balik harita keneh mawa kabeh budak na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6078", "text": "Pendidikan dasar kemiliteran nu diayakeun ku organisasi Resimen Mahasiswa teh biasana ngayakeun praktek lapangan di gunung hutan. Jadi, praktek kaelmuan lapangan na teh dilaksanakeun di gunubg jeung leuweung. Teu saeutik siswana sieuneun nyanghareupan gunung hutan nu sabenerna. Pasalna loba keneh sasatoan buas nu kaliaran di sakitaran tempat pendidikan. Salian eta, leuweung belegedegan oge can pernah pisan ditincak ku jalma. Kaayaan tempatna teh asing pisan tina kahirupan sapopoe. Hawana miis keneh, jeung sumber caina ge meuni herang kacida. Mun burit teh loba keneh sato monyet kaliaran. Hal ieu nu mantak sieun sabagean siswa pendidikan. Komo loba gangguan nu teu kasat mata mah mantak teu betah pendidikan teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5210", "text": "Pas bibi lahiran, ternyata putra na teh kembar. Mimiti dilahirkeun na teh nyaeta pameget. Terus teu lami selang sababaraha menit teh lahir deui orok istri. Alhamdulillah lancar duanana. Tos lahir, duanana langsung diadzanan ku pun mamang. Beres diadzanan tuluy orok na teh diibakan ku perawatna. Beres diibakan, orokna teh tuluy dibedong abeh teu tiriseun. Tos dibedong mah disayogikeun ka bibi jeung mamang. Duanana ditangkeup ku bibi jeung mamang. Tuluy teu poho oge mamang ngadokumentasikan eta si orok mimiti lahir, supaya aya kenang-kenangan perjuangan jang engke dipajang di imah. Tos kitu, nini jeung aki si eta orok na teh diijinan lebet ka ruangan. Tuluy eta orok na teh giliran di pangku ku nini jeung akina.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6019", "text": "Sieun ku jarum suntik teh jadi rahasia umum anu dijangkit ku sabagean jalma. Malahan mah aya nu nepi ka sieun na teh kaleuwihan, jadi phobia jarum suntik. Mun geus phobia mah sok hese nyagerkeun nana sabab kudu dilakukeun terapi ka pihak anu emang kompeten jeung berwenang di bidangna. Anu sieun ku jarum suntik teh lain budak hungkul, tapi oge nepi ka nu geus lanjut usia. Biasana sieunna teh sabab aya trauma basa keur leutik tawa keur disuntik di waktu tetentu. Padahal, disuntik teh moal mantak bahaya da malahan mah nyageurkeun. Teu kudu sieun kana jarum suntik da moal mantak sobek kanakulit atawa lecet, ngan sattik hungkul paling ge tapakna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7858", "text": "Baheula, basa abdi masih SD, di sakola sok dipasihan bungbuahan kanggo murid. Bungbuahanna teh sok gonta-ganti unggal poena, aya jeruk, aya salak, aya cau, teras aya samangka, melon jeung sajabana. Abdi palin teu resep kana buah salak lantaran bauna sok rada kuat jeung daging buahna oge sok rada heuras. jeung haseum. Abdi oge kirang resep kana kulit anu aya dina buah salak. Tapi anu leuwih teu resep deui lamun abdi poho nyimpen buah salak dina tas, biasana lamun tos dua poe eta salak bakalan buruk jeung daging salakna janten biye dina tas, janten tas na jadi bau jeung janten hideung.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1086", "text": "Pas jadi saksi kacilakaan, bisa ngarasakeun rasa kasieun. Lantaran sakapeung mah saksi kacilakaan oge bisa kakeunaan dampak kacilakaan atawa terlibat dina kacilakaan eta, jadina maranehna ngarasa sieun atawa hariwang dina situasi kawas kitu. Saksi kacilakaan oge ngarasa sieun jang mere kesaksian ngeunaan naon nu ku manehna tinggali lantaran sieun kana konsekuensi atawa gangguan ti pihak nu terlibat. Kacilakaan oge bisa nimbulkeun korban jiwa jeung luka-luka nu serius, jadina saksi ngarasa sieun ninggali korban anu getihan atawa maot. Lamun kacilakaan kajadianna di tempat umum, saksi ngarasa sieun jadi sorotan publik jeung meunangkeun perhatian nu teu dipikahayang. Saksi kacilakaan oge ngarasa sieun mun terlibat dina kasus hukum nu berkaitan jeung kacilakaan eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6086", "text": "Peuting kamari aya truk nu muat bungbuahan dukuh jeung rambutan tiguling di deukeut imah. Eta truk tiguling teh sabab remna blong jeung teu katahan sabab kaleuwihan muatan. Trukna tiguling di sisi jalan, kabeh muatanna baceceran. Dukuh tinggorolong ka jalan jeung hareupeun imah warga, rambutanna oge sarua. Teu saeutik dukuh baronyok sabab katindihan. Bungbuahan nu marurag teh dipulungan ku warga tuluy dibarawa ka imah masing-masing. Supirna meuni ngarasa sieuneun dicarekan bosna sabab barang bawaan na dijarah jeing kacilakaanna ge ngarugikeun loba rupiah. Tapi hadena supirna masih keneh dibere kasalametan. Najan bingung pisan kumaha cara ngagantianna, supirna tetep sabar bari nyobian nelponan pihak perusahaanna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8255", "text": "Rahman unggal bulan rutin mariksakeun kaayaan motor sareng mobilna ka bengkel. Lain kunanaon pamariksaan rutin ieu teh penting tur saleresna diperyogikeun pikeun ngajagi kualitas motor atanapi mobil selalu prima tur performana optimal. Slian ti ngajagi performa pamariksaan rutin ieu ge peryogi tur penting pikeun ngajagi kaselametan urang sawaktos berkendara. Rahman kantos ngalaman nu ngaranna rem blong 10 taun ka tukang. Caritana teh manehna keur angkat ka kantor numpak mobilna nanging di tengah jalan tetela remna blong untungna Rahman tiasa ngarahkeun mobilna ka lapangan janten teu aya karusakaan atanapi kacilkaan. Kusabab eta manehna rutin mariksakeun mobilna kusabab sieun remna blong deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6959", "text": "Pas bade aya pangumuman saha wae siswa anu bakal lolos asup perguruan tinggi ngaliwatan jalur rapot, urang sadayana dikumpulkeun ku sakola di hiji ruangan. Teu kabayang kumaha erana abdi pas diumumkeun teu lulus, ieu hartina abdi kedah siap-siap deui kanggo miluan ujian, papanggih deui jeung ujian jeung soal-soal latihan. Rasana hoyong ambek, tapi teuing ambek ka saha. Abdi oge mulai ngarasa kaduhung beut milih jurusan eta, padahal jigana lamun abdi nyandak jurusan anu sanes bakal tiasa lulus. Abdi oge ngarasa lebar naha ngan milih hiji pilihan jurusan di SNMPTN, padahal dipasihan kasempetan milih dua jurusan. Tapi abdi mulai narimakeun sagala takdir anu geus dituliskeun ku Alloh. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1038", "text": "Di sakolaan SD teh kasohor tempatna sanget pisan, rek teu sanget kumaha lantaran di hiji kelas teh gigirna aya kuburan jeung sumur. Cenah mah baheula na emang tempat kuburan samemeh dibangun jadi sakolaan. Kelas nu aya kuburan teh dipake kelas 3 SD. Di hiji poe barudak teh marotah di kelas lantaran euweuh guru jadi ngarasa bebas. Tuluy urang nu cicing dina bangku ninggali curuk anu buntung dihandapeun teh, sontak urang langsung ngajorowok. Kabeh nu di kelas ninggali ka urang, guru-guru oge nu keur di rohanganna nyalampeurkeun. Akhirna mah kagiatan diajar mengajar dipindahkeun kaluar buruan sakola, jeung kelas teh dibaca doa-doa heula ku guru. Samemeh dipake deui urang diperingatkeun ku guru ulah marotah teuing.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7862", "text": "Jajan di luar teh tos janten kabiasaan jeung karesep urang, komo budak ngora jeung barudak leutik pasti mineng pisan jajan di luar di padagang anu make gerobak atawa anu ditanggul. Tapi sabenerna urang kedah rada ati-ati lantaran biasana tukang dagang di luar teu teu sakabehna bararesih, aya oge anu jorok. Pernah basa abdi ngantosan adi abdi balik ti sakola abdi ngantosan di luar kanggo ngajajap, tapi pedah lami keneh abdi calik heula dina motor sabari ningalikeun tukang dagang anu aya di hareup sakola. Abdi teu kahaja ningal tukang cakue anu nyieun adonan sabari ngaroko, teu kabayang kumaha eta kotorna lengeun tilas roko jeung nyepeng duit langsung dipake ngadon, teu dikumbah heula.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5708", "text": "Abdi paling kesel lamun ningali petugas puskesmas anu judes mun keur ngalayanan pasien teh. Keur mah pasien teh gering, kalah ka titah nungguan. Leuheung mun nungguan na dibere tempat merenah mah, ieu mah di tempat alakadarna. Kenah-kenah abdi make BPJS jadi diantep karep jeung dipandeurikeun. Abdi meuni kesel pisan nembo galagatna ge. Jiga nu rugi mun ngadaftarkeun abdi tiheula teh sabab gratis teu mayar da boga jaminan kasehatan. Jeung deuih pas abdi nanyakeun ruangan, teu dituduhkeun, kalah titah asup we ka kiri ke ge aya. Padahal ruangan na lumayan bulak-belok jero. Jeung deuih pelayanan na teh meuni jarudes keneh-keneh BPJS.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6972", "text": "Rerencangan kuring asalna ti kulawargi anu kirang mampu, manehna jauh-jauh datang ka kota ti desa kanggo milarian damel supados tiasa ngarobah nasib kulawargina. Abdi papanggih jeung manehna dina beus, manehna menta tulung lamun abdi gaduh informasi damelan. Abdi ngarasa karunya pisan teras ngajak manehna mondok heula di imah kuring nepika manehna meunang padamelan. Tapi tos tilu poe ieu manehna teu acan meunang damel, pas nelepon ka kolotna, kolotna ceurik pas apal manehna can meunang gawe, malah terus wae menta duit ka kolotna. Padahal kedahna mah manehna anu masihan artos ka kolotna. Manehna dipasihan waktos sahari deui lantaran mamah bapana tos teu gaduh artos kanggo ngongkosan manehna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9000", "text": "Cara anu kasalapan, nyaéta ngaliwat jalan anu béda ti biasana. Upami anjeun ngarasa aya jalma anu nuturkeun anjeun, cobian nyandak rute alternatif nu beda sareng tujuan anjeun. Ieu lumaku bari nyetir atawa leumpang. Ieu bakal ngahesekeun jalma pikeun nuturkeun anjeun, sabab rute anu anjeun laksanakeun béda. Ngarobih kabiasaan anu narik perhatian, tujuanana pikeun ngajantenkeun batur bingung. Cara kasapuluh, nyaéta ulah ragu ngahubungan pulisi. Upami jalma éta mimiti ngadeukeutan sareng anjeun ngarasa teu nyaman, khususna upami anjeun dituturkeun sababaraha kali, teras nelepon nomer darurat di daérah dimana anjeun cicing. Upami anjeun henteu tiasa masihan alamat lengkep anjeun, paké nami jalan atanapi terangkeun sakuliling anjeun kumaha kaayaanna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8250", "text": "Aya dua gejala nu tiasa katempo di jalma nu ngidap agorafobia atanapi sieun aya di tempat nu deungeun. Kahiji gejala kognitif, sapertos Nyeri angen, ketug jajantung, napas gancang (hiperventilasi), deregdeg, heuras, atawa tingling, awak karasa panas, kesangan, lightheadedness atanapi lieur, tinnitus, nyeri beuteung, seueul, atawa diare, kasesahan neureuy atanapi choking, parasaan teu damang atanapi siga anjeun pingsan. Kadua gejala kognitif, sapertos rarasaan isin atawa katempo bodo di hareupeun jalma sejen, ngarasa gugup jeung ngageter lamun diteuteup ku batur, parasaan teu tiasa kabur ti hiji tempat atanapi kaayaan nalika serangan panik, teu tiasa mikir lempeng lamun di tempat umum.\nNgalaman serangan panik anu tiasa ngajantenkeun anjeun sesak napas atanapi jantung anjeun lirén", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6941", "text": "Teu tarima yen palaku anu maehan bapana teu ditewak ku pulisi ngajadikeun rerencangan abdi hoyong janten pulisi. Manehna teu hoyong batur anu sanes ngalaman hal anu sarua jeung manehna matak manehna daptar Sekolah Polisi Negara supdos janten pulisi anu sigap newak jalmi anu ngalakukeun kajahatan. Manehna sumanget pisan nyiapkeun kanggo janten pulisi. Abdi oge sababaraha kali ngabantosan manehna nyiapkeun berkas-berkas kanggo daptar. Tahap kahiji nyaeta administrasi tos berhasil diliwatan ku manehna. Tahap kadua nyaeta parios kasehatan oge lolos. Tahap katilu nyaeta tes psikologi jeung wawancara, manehna tos sababaraha kali latihan jeung ngadatangan kuburan bapana supados lancar. Hanjakal manehna teu lolos di tahap ka tilu ieu. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5185", "text": "Basa liburan ka Taman Mini Indonesia Indah (TMII), abdi pependak jeung Temmy Rahadi. Mimitina mah abdi teh naek kareta gantung, tuluy leuleumpangan nguriling ka tempat-tempat nu alusna. Tah pas beres eta teh langsung we ka Keong Mas popotoan. Pas keur popotoan teh ternyata aya Temmy Rahadi keur shooting. Di sela-sela istirahat manehna, abdi nyampeurkeun jang menta poto bareng. Ah dina aslia mah leuwih ganteng tinu di TV siah, kulit na teh meuni mulus, jalma na meuni jangkung pisan. Abdi kacida atohna eta bisa poto bareng jeung manehna. Salila ieu ngan bisa ningali dina TV film misteri tea, eh ayeuna mah kabeneran bisa langsung amprok jeung jelemana. Rezeki emang teu kamana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4430", "text": "Panampilan mindeng pisan di jadikeun tolak ukur ku batur pikeun ningali status sosial batur. Padahal teu sakabeh jelema anu beunghar sapopoe na kudu dangdan wae jeung make baju sarta barang barang anu mewah jeung mahal hargana. Basa harita urang keur balanja kabutuhan sapopoe di supermarket, saenggeus capek balanja urang mutuskeun dahar heula di restoran hayam, basa urang keur dahar datang bapa bapa jeung anak na, lamun tina panampilan luarna mah emang rada lusuh baju na geus belel jeung sigana mah bapa bapa eta karek mimiti kadinya jadi bingung keneh can ngarti cara mesen na. Tapi pagawe didinya lain na mantuan si bapa bapa eta, kalah ka sibuk anu teu pararuguh, siga anu di haja embung ngalayanan si bapa bapa. Bapa bapa eta akhir na ngadekeutan ka pagawena bari ambek kusabab ngarasa teu di hargaan jeung di perlakukeun teu adil. Padahal bapa bapa eta jeung budak na kadinya rek meuli rek dahar didinya, tapi kalah di parlakukeun kawas kitu. Bapa bapa eta nepi ka ngaluarkeun duit na anu loba pikeun nembongkeun ka pagawena yen manehna oge mampu meuli, pagawe didinya menta hampura. Tapi kusabab jeung kuciwa bapa bapa eta mangkat ninggalkeun tempat bari ngagebrak meja.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8498", "text": "Nurutkeun panalungtikan, unggal jalma pasti pernah hitut. Hitut mangrupikeun wujud reaksi alami tina awak dina bentuk ngaleupaskeun gas tina lambung. Nalika urang aya di tempat umum, urang biasana nahan hitut. Hitut di tempat umum bisa nyieun batur teu nyaman jeung urang bakal ngarasa isin. Janten, nalika urang hoyong hitut, urang kedah langsung milarian jamban atanapi sahenteuna ka tempat anu lumayan sepi. Tetela hitut teh aya mangpaatna pikeun kasehatan urang. Nahan hitut tiasa ngaganggu kinerja peujit ageung urang bahkan ngabahayakeun pikeun kasehatan urang. Ku kituna, hitut bisa mantuan ngajaga usus urang cageur, sobat. Tetela hitut bisa mawa loba mangpaat pikeun awak urang. Janten, ti ayeuna, ulah nahan hitut anjeun. Najan kitu, urang kudu tetep ulah hitut di publik kaluar tina kasopanan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2126", "text": "Kusabab budak kuring umur 1 bulan, kuring resep pisan ngurusna sabab kuring mimiti adaptasi, ayeuna kuring teu tiasa kamana-mana lami-lami sabab kuring pasti émut ka budak kuring, kuring pasti ngarasa dosa pisan upami kuring henteu. t indit jeung manéhna, intina mah teu kungsi kaduhung ngalahirkeun anak kuring. Kuring bagja, bagja kawas mimiti dibawa ka imah ti rumah sakit. Saban poé kuring ngobrol jeung salaki kuring nu keur digawé, sarta unggal poé mamatahan kuring sarta ngingetkeun kuring pikeun salawasna sabar, yén anak kuring ngan leutik, salawasna kudu dipikacinta. Kitu cenah. Sareng anu paling kuring émut, salaki kuring nyarios \"Moza henteu kantos naroskeun pikeun dilahirkeun, kami mutuskeun pikeun gaduh anjeunna di dunya ieu\" ogé kuring langsung ngarasa ditampar nalika kuring maca éta. Ayeuna anak kuring sok nyedek ka kuring, unggal kuring balanja ka pasar, anjeunna pasti kedah ceurik heula, sareng anu ngajantenkeun kuring bagja, si budak teh mani apet pisan ka kuring, iraha waé anjeunna hoyong wae digendong ku kuring.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8241", "text": "Autophobia, oge katelah monophobia, nyaeta sieun isolasi. Bari geus ilahar pikeun jalma ngarasa sepi, pikeun autophobia sieun ieu bisa jadi ekstrim nu ngaganggu kalawan kamampuhan pikeun fungsi normal. Pikeun ngubaran kasieun ieu, hayu urang mulai ngabiasakeun kaluar imah sacara rutin. Mimitian leutik sareng laun. Candak 15 menit leumpang di taman jeung sobat anjeun. Tanya sobat anjeun ninggalkeun anjeun nyalira pikeun 10 menit bari leumpang. Saatos sababaraha dinten, anjeun bakal mendakan yén anjeun tiasa ningkatkeun période anjeun sareng ku kituna ningkatkeun kapercayaan diri, kamerdikaan sareng kamerdikaan. Candak léngkah orok dugi anjeun ngarasa nyaman. Gawé dina ngaronjatkeun hiji aspék kahirupan anjeun dina hiji waktu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5266", "text": "Jalma mah dina ngajalani kahirupan nana, pasti butuh ku batur. Mantak eta, urang ulah nepi ka boga hubungan goreng jeung batur. Pernah abdi ngarasa kecewa pisan sabab tos dilicikan ku batur. Abdi gaduh hiji rerencangan bageur pisan. Unggal poe ulin bareng, bageurna teh dina sagala aspek. Ungal poe makan bareng, dugi ka aktivitas teh sagalana dilakukeun bareng. Ngan hiji poe, anjeunna ngarebut hak abdi dina pertandingan. Abdi ngarasa kecewa pisan, babaturan nu sakitu deukeut pisan na kalahka jadi jelema nu nusuk pisan secara halus. Rarasaan abdi geus teu ngeunah sabab kecewa pisan, abdi moal sakali-kali deui berhubungan jeung jelema eta.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3235", "text": "Kadang-kadang nalika ningali jalma séjén utah, jalma ogé ngarasa seueul sacara spontan sareng hoyong utah ogé. Naha ieu hartosna utah tiasa tepa? Muntah mangrupikeun gejala tina kaayaan awak anu teu séhat. Seueur panyakit dicirikeun ku gejala utah. Sanajan kitu utah teu tepa, kaayaan ieu disebut utah simpatik. Ieu lumangsung nalika tetempoan, bau atawa sora batur utah ngabalukarkeun jalma sejen jadi seueul sarta hayang utah. Kajadian ieu cukup umum di masarakat sareng sababaraha élmuwan nganggap yén ieu mangrupikeun sipat simpatik anu memang parantos dikembangkeun dina manusa. utah simpatik bisa muncul salaku réaksi basajan kana tetempoan pikaresepeun atawa bau utah. Salaku tambahan, bau anu dipancarkeun nalika aya jalma utah dianggap bau anu paling parah sareng tiasa nyababkeun jalma-jalma di sakurilingna ngarasa seueul.\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9233", "text": "Basa keur SMP kuring boga babaturan anu teu bisa nginum obat tablet. Harita teh manehna karek uwih ti dokter, ceuk Bu Guru teh kudu geura diinum obatna. Bakat ku hese wae dititah nginum obatna, ku Bu Guru teh manehna dititah ka hareupeun kelas, dititah nginum obat bari ditempoan ku babaturan sakelas. Pas manehna nyobaan nginum, si obatna teh kalah kaluar deui, atuh jadi karasa pahitna si obat teh. Awalna manehna geus embung nginum deui da pait, tapi ku Bu Guru teh dipaksa. Manehna teh cicing heula sakeudeung, teras diasupkaeun si oba teh ka bahamna, tuluy di kunyah ku manhena. Gura-giru Bu Guru teh masihan cai putih, harita manehna beak sabotol kur nginum hiji obat oge. Ningali eta arurang sakelas nyeungseurikeun manehna, soalna kabayang kumaha paitna eta obat. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2980", "text": "Baheula Kuring spontan kabur, misan kuring spontan lumpat teuing jeung anjing leutik ieu ngudag urang sial deui kuring poho yén kuring maké jeans pondok nu mindeng sagged sabab kuring teu maké sabuk jeung anjing leutik ieu lumpat pisan gancang, kuring kudu angkat. calana kuring kuring jeung lumpat sagancangna kuring, misan kuring lumpat leuwih gancang ti kuring, untung urang langsung balik ka jalan sejen tur anjing leutik ieu teu ngudag urang deui. Tetep leumpang lalaunan tapi jadi sadar konci, sarta ningali tipe anjing teuing. Pikeun anjing mutt / Herder, ulah pernah ngajalankeun, tapi lamun Golden Retriever teu kudu sieun anjeunna bakal ngudag anjeun, anjeunna moal ngegel ogé.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5969", "text": "Biasana jalma nu sok ngabully teh nu gaduh latar belakang nu teu ngeunaheun. Misalna ti leutik na kurang didikan orang tua, atawa kurang perhatian orang tua, bisa oge sabab tuntutan orang tua nu terlalu tinggi, jeung sajabana. Hal bullying teh jadi salah sahiji media ngaluapkeun emosina ka batur. Ku ngalakukeun bullying ka batur teh jadi kapuasan sorangan. Malahan mah nu leuwih parahna, tingkah bullying teh mangrupakeun salah sahiji gejala gangguan kasehatan mental. Mantakna, kudu diwaspadai jalma nu sok ngabully, bisina kana hal nu leuwih parah nyaeta jadi gejala psikopat. Penting pisan mantakna peran orang tua dina ngadidik anak teh supaya perkembangan emosina oge bisa kakontrol.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6850", "text": "Di aplikasi balanja online aya salah sahiji hal anu pikaresepeun, nyaeta urang tiasa meser barang elektronik anu arawis tapi hargana ngan sapuluh rebu. Biasana eta teh aya waktosna. Aya nu tabuh sapuluh, dua belas, tabuh hiji, tabuh opat, jeung saterusna. Abdi biasana miluan di tabuh hiji siang-siang. Seeur pisan barang anu diical, aya laptop, sertikaan, hape, nepikeun emas. Abdi mah ti baheula ngincerna teh laptop atawa hape lantaran butuh pisan. Unggal minggon miluan tepi teu aya hasil. Abdi langsung neangan dina YouTube kumaha carana supados tiasa meunang. Dua poe ti dinya abdi meunang lantaran abdi nyobian sababaraha tips anu dibejaan dina YouTube", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5937", "text": "Duka kunaon ti basa keur leutik abdi mah sok sieun mun keur dinu poek teh, soalna sok kapikiran ka hal-hal anu teu logis. Misalna mun dinu poek teh jol sok ngarasa aya nu nempokeun, ngarasa aya nu cicing di gigireun, bahkan ngarasa yen aya jalma bayangan hideung nu keur merhatikeun. Tah mantakna abdi mah sok sieun pisan ngaliwatan nu poek teh da sagala bentuk sok katingali. Malahan mah sakapeung mun keur di ruangn poek teh abdi mah saking sieunna sok nepi ka ceurik gogoakan da dada teh geus teu puguh rarasaan. Malahan mah sok asa nepi ka hayang pingsan saking ku deg-degan nan nempo nu paroek.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2508", "text": "Teu jarang ibu hamil katindihan ku kahariwang sabab mikirkeun ngalahirkeun jeung kaséhatan orok dina kandungan. Tapi, ati-ati. Kahariwang kaleuleuwihan tiasa mangaruhan kana kamekaran janin dina kandungan, anjeun terang. Ku kituna, geura atasi kahariwang nalika kakandungan ku tips handap. Perasaan hariwang, hariwang, gampang kaget nalika kakandungan nyaéta normal. Sanaos kitu, aya sababaraha tanda anu kedah diwaspada ibu hamil, nyaéta sesah ngontrol perasaan hariwang, sesah konsentrasi, jengkel, sesah sare, sareng karasa tegang dina otot awak. Kahariwang anu teu kaampeuh tiasa janten serangan panik. Nalika serangan ieu kajantenan, Ibu tiasa sesah engapan sareng ngarasa aya kajadian anu goréng nu bakal kaalaman ku maneh na atanapi kandungan jeung kulawargana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5681", "text": "Tilu hal nu nyebabkeun urang diperlakukeun teu adil. Nu kahiji nyaeta sabab aya kacemburuan sosial, misalna batur ngarasa cemburu atawa sirik ka urang dina aspek sosial. Nu kadua nyaeta aya sikap atawa karakter urang nu ngaganggu. Mun diperlakukeun teu adil, kudu nyadar diri boa urang aya sikap atawa karekter nu ngaganggu batur atawa nyinggung batur. Nu katilu nyaeta hese adaptasi kana lingkungan anyar. Misalna urang ngarasa hese adaptasi kana lingkungan gawe nu keur dilakonan, urang bakal rada ngahambat ka batur jeung batur ge bakal rada karagok ngajak ka urangna. Tah kudu ngarti oge yen kateuadilan teh lain wae sabab batur sapenuhna, tapi aya oge faktor dina jero diri urang nu kudu diperbaiki.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7293", "text": "Poe ieu poe senin, sapertos biasana abdi angkat ka tempat gawe. Abdi masih keneh rada tunduh kusabab bieu peuting abdi tos ngempel sareng rerencangan ngarayakeun ulang tahun kuring anu ka dua puluh tilu. Pas di kantor sapertos biasana abdi langsung diuk di tempat abdi gawe. Pas ngahurungkeun kopmuter jol di layarna aya tulisan anu nitah abdi sina ka luhur. Pantesan we, di kantor teh rada sepi, sugan teh nuju maleser sarapan. Pas abdi ka luhur sajajalan seeur pisan tulisan-tulisan ti rerencangan abdi di kantor, sabari ceurik abdi macaan hiji-hiji. Pas geus nepi di luhur, abdi ka loteng teras langsung disambut ku rerencangan anu tos nyariapkeun kue jeung tumpeng. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5686", "text": "Orang Papua nu katampi kuliah di luar Papua, biasana sok dibere fasilitas asrama khusus. Salian eta, oge dibere pembinaan khusus supaya nunjang akademikna. Ngan, dina kahirupan sosialna, mahasiswa Papua teh biasana kurang akrab jeung batur, sabab meureun ngarasa minder ku warna kulitna nu gelap. Komo mun di kota besar mah kan pasti nu ngagang teh nu stylish hungkul, mantakna sok rada ngahalindar. Kaayaan kulit nu leuwih gelap, rambut nu ikal teu lurus, jeung postur tubuh nu punya ciri khas biasana ngajadikeun mahasiswa Papua jarang katingali loba aktif dina organisasi. Ulinna teh sok jeung mahasiswa Papua deui. Padahal, loba mahasiswa nu narima apa adanya tanpa ningali sagala rupa perbedaan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4319", "text": "Akhir bulan kamari urang rencana na rek liburan jeung babaturan deuket urang ka Bali naek pesawat. Urang ges teu sabar kusabab ieu ngamimitian urang rek naek pesawat, saeenggeus siap urang teu langsung ka bandara tapi kalah jalan jalan bari jajan heula da urang jeung babaturan mikir aya keneh waktu loba samemeh pesawat urang mangkat. Ti batan urang kur cicing hungkul nungguan mending keneh urang kukurilingan bari jajan heula. Ari ges rek deuket urang nanyakeun ka patugasna urang check in dimana. Eta kacida reuwas na yen pesawat urang ges mangkat tadi, jadi urang tinggaleun pesawat na. Didinya urang duaan ngan bisa reuwas bari molohok, pas di tingali na tiket urang jeung babaturan salah ningali jam na, jadi weh urang tinggaleun pesawat kusabab urang na sorangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2966", "text": "Letusan Merapi taun 2010, basa kuring keur sakola di pasantren. Lokasina masih di Yogyakarta oge. Nalika bitu ieu kuring hilap naha éta dibarengan ku gempa vulkanik ogé atanapi henteu. Anu jelas, nalika letusan ieu, sakola urang ditutup saminggu sareng murid-murid diajak balik ka imahna. Tungtungna kuring datang ka imah. Tapi samemeh indit ka imah, kuring mutuskeun pikeun ulin di game center heula jeung sababaraha babaturan kuring maén dota (anu sabenerna, lamun sakola urang manggihan, urang bisa dihukum). Teras saatos éta, nalika kuring kelas 3 SMP, kuring cicing di Jepang salami sataun. Abdi angkat ka Jepang dina pertengahan 2011, atanapi kirang langkung 5 bulan saatos gempa sareng tsunami di daérah Tōhoku (anu ogé nyababkeun karusakan réaktor nuklir Fukushima). Nalika cicing di Tokyo, teu jarang kuring ngarasa gempa sababaraha kali. Béda jeung kaayaan kuring di Yogyakarta, di dieu mah jalma-jalma teu weléh panik. Gedongna tahan gempa, janten aman. Jalma-jalma geus ngarti kana naon anu kudu dilakukeun nalika aya lini, ngarah teu panik. Malah nalika kuring di Jepang, sakola kuring didatangan ku kantor lokal anu masihan pelatihan ka murid di sakola kuring ngeunaan mitigasi bencana gempa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2967", "text": "Waktu harita kuring masih kuliah jeung nyéwa di salah sahiji komplék nu kawilang sepi. Lini lumangsung peuting, jam 10 peuting mun teu salah mah. Kuring keur nonton TV jeung kuring nempo TV kuring oyag. Tuluy kuring malik ningali lomari ogé oyag.\r\n\r\nKuring gura-giru nyokot hapé tuluy kaluar ti imah. Nalika éta kajadian kuring nyalira di imah saliwatan. Kuring bingung harita. Di luar imah loba tatangkalan jeung jangkung kabeh, katembong aya tangkal nu ngahuleng, cek hp, teu aya jaringan. Ku kituna kuring ngan nangtung handapeun tangkal nungguan lini eureun. Sanggeus eureun, kuring balik deui ka imah jeung nempo lantai loba chip kai leutik ti panto imah. Imah anu kuring nyéwa nyaéta bumi anu lami, janten nalika aya lini, panto sareng jandéla kayu beulah. Kuring mariksa deui hp kuring jeung alhamdulillah aya sinyal jeung internet. Mariksa ka BMKG mah leres-leres aya lini anu magnitudo anu lumayan ageung, nyaeta 6,2 skala Richter sareng parantos ngaktifkeun peringatan tsunami di basisir kota kuring.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "216", "text": "Salaku mahasiswa pasti loba tanggung waler nu kudu diemban, ti kapanitiaan, hobi, ulin jeung babaturan, jeung sajabana. Tapi sanajan urang loba kagiatan di luar perkuliahan, urang teu ninggalkeun akademik. Kabuktian urang bisa lulus 3.5 taun atawa bisa disebut 7 semester. Cara-carana ngarah saimbang kuliah jeung dunia luar teh nyaeta nu kahiji teu nunda ngerjakeun tugas. Tugas nu loba jeung rasa hoream kudu dilawan, kadang oge lamun loba teuing tugas sok poho biasana urang nyatet waktu terakhir ngumpukeun tugas. Nu kadua kudu ngusahakeun hadir ti tiap perkuliahan, ieu penting ngameh teu kudu ngulang di semester hareupna. Nu katilu kudu fokus lamun keur ngerjakeun skripsi. Usahakeun ulah sabari gawe, sabab bisa jadi henteu fokus ngerjakeun skripsina, tungtungna skripsi ditinggalkeun jadi nyieun lila oge lulus kuliahna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6051", "text": "Mun amprok jeung tilu sato ieu, kudu pisan ngajaga jarak sabab sok nyosor atawa moro jalma. Nu kahiji nyaeta soang. Teu ka sasaha ge soang mah sok moro jalma nu liwat di hareupeun nana. Malahan mah nyuruntul na teh leuwih gancang tibatan jalma nu lumpatna. Nu kadua nyaeta anjing nu galak. Biasana aya anjing anu dilatih jang moro, tah biasana ge sok ngudag ka jalma anu teu wawuh mah. Nu katilu nyaeta tiwuan atawa lebah. Tah sato ieu teh mun sayangna kaganggu ku jalma atawa lingkungan sakitarna kaganggu ku jalma, sok ngudag jalma nepi ka beunang diseureud. Mun can puas mah sok terus ngungudag nepi ka jalmana karipuhan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9018", "text": "Kuring jeung si cikal harita anjog ka wewengkon tempat adi kuring cicing. Jrut kuring turun tina motor rek muru imah adi kuring, tapi kuring heran naha imah teh bet ujug-ujug leungit, pager imahna nu tina beusi ujug-ujug geus robah jadi jajaran tangkal biluntas nu daunna sok dipake lalab. Kuring ngarengkog teu jadi ngalengkah, barang kuring rek balik deui kana lebah motor, teuing kunaon si cikal teh geus maju ninggalkeun kuring. Kuring ngarasakeun loba kaanehan jeung jadi sieun, tempat kuring nangtung teh singhoreng aya di sisi lapang, jajalaneun ka leuweung. Kuring bingung naha bet ujug-ujug aya di ieu tempat nu sakitu hara-haraeunana. Suasana nu remeng-remeng kacaangan ku cahaya bulan, beuki nambah kakeueung. Kuring rek ngagorowok nyalukan si cikal, tapi sora teu bisa kaluar. Sabot keur usaha satekah polah hayang lumpat ngudag si cikal, ti hareupeun kuring aya nu leumpang tapi teu puguh rupana da katutupan ku rambutna nu awut-awutan nutupan beungeutna. Beuki lila beuki deukeut. Geus ampir deukeut pisan, kuring ngagorowok menta tulung satakerna, tapi sora teu daek kaluar. Barang sora kuring kaluar, kuring ngorejat. Horeng simanahoreng kuring ukur ngimpi indit ka imah adi kuring teh. Nyampak si cikal keur tibra dina korsi. Kuring ngusap dada bari ngucap syukur Alhamdulillah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6375", "text": "Ngahutang teh salah sahiji hal nu sering dilakukeun ku jalma. Biasana sok aya nu ngahaja ngahutang sabab butuh atawa aya oge nu kur hayang meuli barang nu dipikahayang. Tah, ayeuna mah ngahutang teh teu wae ka jalma langsung, tapi bisa oge ka koperasi. Misalna aya koperasi anu emang nyadiakeun angsuran tina peminjaman uang. Hal nu dibutuhkeun jang syarat administrasina teh kur KTP jeung kasanggupan mayar hungkul. Angsuran na ge sok aya nu unggal poe, aya oge nu saminggu sakali. Jumlah pinjaman na ge variatif, ti mimiti dua ratus rebu nepi ka jutaan. Masa cicilan na ge aya nu sabulan atawa kurang ti sabulan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9006", "text": "Geus jadi kabiasaan kuring jeung kolot sarta duduluran kuring lamun geus wanci sareureuh budak, sarengsena solat isya berjamaah di tajug nu deukeut imah, ngarariung di tengah imah bari ngobrol ngaler ngidul. Samalah nini, emang jeung bibi kuring ge sok milu ngariung. Harita kabeneran nini teh keur ngadongkeun jalma anu sok munjung ka siluman. Kuring milu ngadengekeun bari geus lelenggutan tunduh. Ningal kuring nu lelenggutan, nini nitah kuring supaya geura ngampih ka enggon pikeun sare ti heula. Harita kuring sok sare jeung nini. Kulantaran dihayoh-hayoh wae dititah sare ti heula, kuring kapaksa ngoloyong ka enggon bari rada hemar hemir da inget keneh obrolan nini nu pikasieuneun. Kuring ngagoler bari disimbut ku samping kebat. Panon dipeureum-peuremkeun ge teu daek wae tunduh. Lila- lila saking ku keuheul jeung sieun nungguan nini teu daek wae nyusul ka kamer, kuring ceurik bari ditahan da sieun diseuselan ku nini, maklum nini teh rada galak. Kulantaran sieun kadenge ceurik, kuring ngegel samping satarikna tepi ka soeh. Kieu geuning rasana ari jadi jalma borangan. Kasiksa ku polah sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1135", "text": "Hobi naek gunung teh lain ku sabab urang euweuh kasieun di jero leuweung, tapi sok nguatkeun diri sorangan. Mun di leuweung mah sieun ku hal-hal anu goib, komo loba ngadenge carita-carita ti batur ngeunaan hal-hal goib nu aya di gunung. Loba oge nu disesatkeun jalanna ku hal goib, nepikeun ka teu manggih jalan. Sieun dijieun linglung anu tungtungna mah nyilakakeun diri sorangan. Di gunung sok aya pantrangan nu ulah dilakukeun utamana dina hal ngomong kudu dijaga, tah urang sakapeung mah teu bisa dijaga omonganana sok rada keneh sompral. Ieu nu disieunkeun teh balukarna lain ka urang hungkul tapi ka sarerea nu babarengan jeung urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "335", "text": "Lamun embung nyaritakeun trauma ka dokter psikologi atawa ka babaturan, cukup caritakeun ka nu maha kawasa. Dina tiap sujud atawa saenggeus beres sholat, curhatkeun ka gusti anu maha suci. Ngarah hate teh tenang ari geus nyerahkeun kabeh masalah ka gusti mah kaasup trauma. Lamun curhat ka gusti Allah SWT mah moal era sanajan rek ceurik oge, eta mangrupakeun hal biasa da jelema mah rapuh. Lamun geus nyaritakeun kabeh ulah poho kudu ngagawean hal-hal anu alus oge jeung ngajauhan tina dosa supaya naon nu ku urang penta teh bisa tereh dikobul ku Allah SWT jeung trauma nu keur dialaman meh tereh aya jalan kaluarna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8518", "text": "Isin nyauran jalma anu salah teh tiasa nyeri pisan sareng ngerakeun. Bisa aya parasaan isin, kagok, jeung mamang diri. Anjeun bisa jadi ngarasa yen anjeun nyieun beungeut bodo atawa nyieun jalma nu nelepon ngarasa teu nyaman. Ieu tiasa mangaruhan kumaha parasaan anjeun sareng ngajantenkeun anjeun teu nyaman dina kaayaan eta. Nanging, emut yen unggal jalma parantos ngalakukeun kasalahan sareng hal-hal anu ngerakeun, janten entong hese teuing ka diri anjeun. Coba pikeun ngabenerkeun kasalahan anjeun sareng ngobrol sareng jalma anu anjeun nyauran dumasar kana empati sareng kahadean. Ieu teh bakal ngabantosan ngirangan isin sareng ngajantenkeun anjeun sareng anu sanés langkung nyaman.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5174", "text": "Basa acara kalulusan SMA, lulusan nu meunang nilai tertinggi bakal dipanggil jeung meunang panghargaan lulusan terbaik. Pas diumumkeun, ngaran Tyan nu disebut. Alhamdulillah pisan Tyan kacida bungahna. Bari rada geumpeur, Tyan maju ka hareupeun panggung. Tyan ngarasa bungah pisan sabab bisa disaksian ku orang tuana. Tyan bisa mere saeutik kabangaan jang orang tuana. Di payuneun sarerea nu hadir, Tyan dikalungan medali lulusan tebaik ku kepala sekolah. Panghargaan nu sateuacanna can pernah kabayangkeun ku Tyan. Alhamdulillah ieu bisa jadi titik tolak Tyan jang ngadukung karir masa depanna. Tyan kacida bungahna langsung nyampeurkeun tempat diuk orang tuana. Tyan meunang tepuk tangan ti sarerea, duh bungahna kaliwat pisan ieu mah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3330", "text": "Ampir kabéh serangga téh bisa didahar jeung halal jeung teu aya bangkai pikeun serangga, jadi teu perlu motong heula. Iwal jalma anu alérgi kana serangga, leuwih hade ulah dahar, pangaruhna pasti bakal pikaresepeun, kawas jalma anu alergi ka udang.\n\nKuring cutatan tina rupa-rupa sumber, jenis serangga anu tiasa dikonsumsi:\n\n1. Sireum.\nRasana rada haseum sabab ngahasilkeun asam sireum, pikeun endog sireum teu aya rasa haseum. Kantos ngahaja ngadahar buah jambu.\n\n2. Simeut\n\nHal ieu loba didahar ku masarakat Indonesia, di wewengkon Gunung Kidul, Yogjakarta, dina mangsana loba nu payu di sisi jalan di wewengkon leuweung jati. Dupi anjeun kantos nyobian tuang sareng rasa, nikmat sapertos udang.\n\n3. Jangkrik\n\nKandungan protéinna ampir sarua jeung simeut, loba jukut jeung rungkun. Dupi anjeun kantos ngaraosan jangkrik ageung di Jawa anu disebut gangsir, saukuran jempol, saté sareng nikmat.\n\n4. Rayap/ ngengat\n\nBiasana dihakan ku ngengat ngalayang atawa ratu rinyuh anu ukuranana cukup badag. Kandungan protéinna kacida luhurna. Laron pernah ngasaan goreng campur endog, ngeunah.\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1357", "text": "Geuleuh mun ninggali kotoran embe lantaran bauna teu ngeunah jeung nimbulkeun rasa anu teu nyaman. Tapi di sisi sejen, kotoran embe teh bisa digunakeun jang pupuk alami kanggo pepelakan, ngagantikeun pupuk kimia nu leuwih mahal jeung bahaya kanggo lingkungan. Salian eta, penggunaan pupuk alami siga kotoran embe oge bisa ningkatkeun produktivitas tatanen jeung ngurangan pencemaran lingkungan pedah ngagunakeun pupuk kimia. Ku sabab kitu, sanajan sakapeung mah nimbulkeun rasa geuleuh, penggunaan kotoran embe jang pupuk alami mangrupakeun solusi nu ramah lingkungan jeung efektif kanggo ngaronjatkeun hasil tatanen. Ku ngarti mangpaat pupuk alami tina kotoran embe, urang bisa ngarobah pandangan negatif kana kotoran eta.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5547", "text": "Poe ayeuna teh rai abdi ulang taun. Tos lami anjeunna ukeun dipangmeserkeun hape. Ayeuna ku abdi bakal dipasihan hadiah hape tapi bade di prank heula. Abdi ngabungkus hape make kertas kado jeung diasupkeun kana paperbag. Abdi oge ngabukus batu bata make koran. Tuluy dilapisan deui make kertas kado. Geus kitu dilapisan deui make koran, terus terusan nepi ka bentukna gede. Geus beres mungkus make kertas jeung koran, ayeuna tinggal diasupkeun kana kardus kotak. Pas narima hadiah, adi abdi atoheun pisan sabab geus nyangka bakal dibere hape. Tuluy hadiahna dibuka lalaunan bari sesengiran da atoh. Pas lapisan terakhir, sabab bentukna persegi panjang, adi abdi yakin pisan ieu hape. Eh pas dibuka teh bata. Adi abdi kecewa pisan tuluy ceurik. Keur ceurik, ku abdi disodorkeun tas nu aya eusian hape. Tuluy dibuka, eh beneran hape. Adi abdi atoheun pisan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1042", "text": "Dina milih barang atawa pakean urang leuwih mentingkeun kanyamanan, lain warna. Jadi rek warna naon wae ge mun dirasa nyaman pas makena urang bakal pake. Harita pas urang olahraga lari, urang ngagunakeun sapatu running tapi warnana ngejreng nyaeta warna oren. Ti saprak mulai lari poe eta teh nepikeun ka beresna loba jelema nu ninggalikeun bari ngaharewos ka babaturanna. Urang mikir mah eta keur ngomongkeun urang, lantaran pas ngaharewos bari nunjuk-nunjuk sapatu urang. Ti saprak harita, urang embung deui make sapatu nu warnana ngejreng, sieun di bully ku batur lantaran sok kapikiran nepi unggal poe. Padahal euweuh salah dina sapatu eta, ngan pedah pemilihan warnana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9519", "text": "Sinta kaasup murid anu pinter jeung rajin. Manehna boga tekad kuat pikeun diajar boh di sakola atawa di luar sakola pikeun meunangkeun hasil pangalusna . Sanggeus lila ngadagoan, ahirna Sinta meunang beja yen manehna ditarima di kampus impianana. Sinta kacida bungahna waktu narima beja eta. Manehna henteu percaya yen usahana bisa aya hasilna. Manehna ngarasa bagja pisan tur teu sabar pikeun ngamimitian diajar di kampus anu geus dicita-citakeun. Sinta ngahaturkeun nuhun ka ibu bapa sareng guru anu salawasna ngadukung sareng ngamotivasi manehna. Manehna oge ngarasa kahutangan budi ka babaturan sakelasna anu sok nyumangetan manehna sangkan giat diajar. Sinta ngarasa bagja pisan bisa ditarima di kampus nu cita-citakeun. Manehna yakin yen ieu teh kasempetan anu kacida berharga pikeun anjeunna bisa ngembangkeun potensi sarta ngahontal kasuksesan dina mangsa nu bakal datang. Sinta bungah pikeun ngamimitian diajar di jenjang nu leuwih luhur sareng ngarasa siap pikeun ngadepan tantangan anu bakal disanghareupan. Manehna yakin yen kerja keras sareng usaha anu teu aya watesna, manehna bakal tiasa ngahontal kasuksesan di masa depan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2548", "text": "Sakali kuring lulus kuliah sareng ayeuna damel, kuring resep heran ka babaturan kuring \"Kuring henteu acan gaduh glow up ... meureun salah sahiji faktorna nyaéta kuring henteu resep cai nginum ti budak leutik sareng kuring nyandak. obat psikomatik nu geus 4 taun kapengker, asa teu aya gunana malah meuli skincare lamun cocok - mulus, ngan tahan sababaraha bulan, endingna kadang jerawatan, nembe dicaritakeun. eta ludruk mah make bedak march anu warnana krem, sakali pas magang kabogoh kuring digeroan gara-gara make up padahal enteng, ngan make krim sapopoe + bedak + lipstik didinya malah ditahan. cimata ambeh murag, teu bisa nambal huntu hareup nu patah sabab perawatan dental mahal, jalma \"mun ngomong/ngomongkeun kulit kusut sok menta hampura ka kuring sieun kuring gelo atawa ngajelaskeun yén éta téh henteu. eta mah maranehna keur ngobrol ngeunaan v, kadang aya rasa hoream — rarasaan teu percaya — rarasaan nu sabenerna mah teu goréng teuing lamun meureun kuring resep nginum cai + heuteu minum obat.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "288", "text": "Ngarujuk kana Undang-undang ngeunaan perkawinan di Indonesia, syarat kawin di KUA teh nyaeta minimal 19 taun, boh eta lalaki atawa awewe. Salian ti eta, leuwih alus oge lamun calon panganten teh miluan bimbingan perkawinan. Bimbingan perkawinan ieu dilakukeun ngameh mere elmu jang ngabangun rumah tangga. Sanajan lain syarat kawin ti KUA, tapi diharepkeun mah miluan ngameh bisa ngajaga kabagjaan dina kulawarga. Jadi 10 poe saacan kawin calon panganten kudu miluan bimbingan anu diayakeun ku KUA satempat. Jang ngajaga kaharmonisan kulawarga jadi diharepkeun miluan bimbingan ieu. Sabab kawin teh pan jang ngawujudkeun kulawarga nu bagja antara salaki jeung pamajikan, jang ngajaga eta jadi dibere pembimbingan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2877", "text": "Muhun, balik deui ka kuring, anon anu keukeuh kana jawaban ngeunaan mistis-ghaib kamari. Kuring geus katempo sababaraha. Sareng upami anjeun henteu percanten atanapi skeptis kana hal-hal mistis, langkung sae upami anjeun kaluarkeun tibatan ngahujat. Sumuhun, teu kunanaon ngahujat, saha nyaho anjeun bakal ngadeukeutan sarta bakal percaya. Janten, naon anu anjeun hoyong carioskeun? Kuntilanak gendut jangkung (punten keur bodyshaming kuntilanak) di kosan babaturan. Kieu caritana lantaran babaturan kuring cicing di kosan batur. Di dinya manéhna ngarasa ditindes, sarta manéhna bébéja ka kuring nalika kuring indit ka kosan tempat anjeunna cicing pikeun datang deui jeung manehna. Nalika anjeunna nyarioskeun carita, carita muncul caket jandela kamar. Tétéla éta téh jenis jin anu rupana kuntilanak, éta sababna bentuk jeung jangkungna na teu normal.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6390", "text": "Biasana mun can mandi mah awak teh sok bau. Komo harita abdi keur pendidikan, saking padetna jadwal, dua minggu tei sempet mandi da di leuweung belegedegan teu manggih sumber cai nu badag. Aya ge ngan cukup jang nginum. Awak teh meuni geus barau, rareged, jeung sagala rupa kaambeu. Rupa mah geus puguheun dekil, teu manggih cai lila, jeung deuih kuleuheu kabina-bina. Baju ge meuni geus campur jeung taneuh, warnana geus semu cokelat. Uyuhan we dipake na teu ararateul. Geus puguheun suku mah da hujan atawa henteu ge sapopoe teu dileupas sapatuna. Kaos kaki baseuh teh jadi bau kabina-bina, mantak mabok ngaambeuna oge.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "376", "text": "Rasa kaduhung bisa kainget salila hirup, tapi aya carana ngameh leupas tina rasa kaduhung eta. Nu kahiji, narima lamun kabeh nu kajadian teh bagean tina carita hirup sabab teu bisa diubah deui. Nu kadua, eureunan tina nyalahkeun diri sorangan atawa batur, sabab beuki mikiran saha nu salah, bakal beuki kaduhung. Nu katilu, usahakeun ninggalina dina sudut pandang anu beda ngameh bisa diajar narima kajadian jeung teu ngagede-gedekeun. Nu kaopat, tina tiap kajadian pasti aya hikmahna. Jadi alusna ulah ngarasa kaduhung nepika embung ngalakukeun usaha nanaon. Nu kalima, kudu mimiti fokus kahareupna. Sabab lamun tuluy mikaduhung, bakal beakeun waktu jeung tanaga nu dipiboga.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1417", "text": "Basa keur bulan puasa, biasana jeung babaturan sakola teh sok ngayakeun buka bersama. Buka bersama ieu geus ditangtukeun ti jauh-jauh hari, nyaeta di tempat makan anu lesehan. Pas poe diayakeunna buka bersama, urang rada telat da balik ti pagaweanna sore. Urang make kameja flannel warna beureum kotak-kotak, make ieu teh lantaran cuacana keur tiris, jadi meh haneut. Teu lila aya pelanggan sejen nu asup oge jang dahar didinya. Percis pisan pagigir-gigir diukna teh, aya sekat tapi sekatna pendek, jadi nu digigireun teh bisa katinggali. Urang teu ngeuh, soalna katukangan ku urang. Tapi babaturan ngabejaan yen baju nu ku urang pake sarua jeung pelanggan sejen. Pas ngalieuk teh eh geuningan bener, urang langsung ngalaan flannel eta, jadina ngan saukur make kaos hungkul.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5625", "text": "Poe ayeuna abdi diajak ketemuan ku babaturan, bade ngobrolkeun sesuatu ceunah. Sabener na mah males amprok na ge sabab anjeunna mah sok ngomentaran wae penampilan jeung fisik abdi. Tapi mun nolak ge asa teu enakeun, jadi nya entos we datangan ku abdi. Pas mimiti amprok, bener we langsung ngomentar penampilan abdi, ngomentaran warna baju abdi nu teu matching, ngomentaran model baju nu teu mantes, ngomentaran soal awak abdi nu teu alus jiga awak batur. Abdi geus jengkel pisan harita teh bari hayang ceurik. Abdi teu butuh komentar nu kitu, butuhna ge saran nu ngadukung, lain kalah nyieun mental abdi jadi ciut. Ti saprak beres ieu moal deui-deui abdi ngamprokan, kajeun teuing na telepon we.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7507", "text": "Di sakola tempat abdi ngajar aya hiji murid anu ti kalangan teu mampu. Sakola tempat abdi ngajar ieu teh mangrupakeun sakola swasta anu muridna balaleunghar tapi teu pati dekeut ka para sepuhna janten lolobana balangor. Abdi sabenerna karunya ka murid ieu lantaran manehna tiasa sakola di dieu pedah meunang beasiswa tapi sabenerna manehna teu tiasa nyaruakeun gaya hirup jeung rerencanganna, manehna mineng dianggap benten. Mulai ti sapatu, tas nepikeun barang-barang manehna anu dianggo pasti dipoyokan wae ku rerencanganna. Abdi mineng ngobrol jeung manehna, sabenerna abdi oge hoyong pangmilarikeun sakola negeri wae supados leuwih tiasa fokus diajar. Kadang-kadang manehna nyorangan di kelas lantaran teu wani ngobrol jeung sasaha. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7265", "text": "Abdi gaduh hiji rerencangan anu tos lila pisan teu patepang. Di antara sadaya rerencangan pas sakelas baheula abdi paling teu apal kumaha kondisi manehna ayeuna lantaran urang tos tara kontekan deui. Grup kelas anu baheula rame oge ayeunamah tos teu kapake deui lantaran seeur nu tos gentos nomer telepon. Pernah sakali urang ngayakeun acara bukber, tapi manehna teu datang. Hiji waktos abdi teu kahaja papanggih jeung manehna di stasion, abdi reuwas lantaran pangling pisan ningal wajahna. Manehna nu ngageroan tiheula. SInghoreng manehna ayeuna nuju kuliah di luar negeri, manehna langsung masihan nomer telepon nu pang anyarna supados urang tiasa nyambung deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8417", "text": "Di dieu aya sababaraha tips pikeun nungkulan geuleuh dina tetempoan utah. Coba museurkeun perhatian anjeun kana hal-hal sanes sapertos musik, buku atanapi kaulinan. Ieu bisa mantuan ngurangan geuleuh. Anjeun tiasa nyeuseup seungit anu santai sapertos lavender atanapi minyak atsiri anu sanes pikeun ngaleungitkeun rasa jijik. Coba teu mikir atawa ngobrol ngeunaan utah. Ieu bisa mantuan ngurangan geuleuh. Coba pikir positif sarta museurkeun perhatian anjeun kana hal positif dina kahirupan anjeun. Ieu tiasa ngabantosan anjeun ngaleungitkeun rasa geuleuh sareng ngabantosan anjeun langkung sae. Lamun ngarasa geuleuh di tetempoan utah, coba ulah eta jeung ulah nempo eta. Lamun bau utah mangrupa sumber jijik, coba ulah eta jeung ulah bau eta. Inget yen geuleuh teh normal jeung bisa dikawasa ku sababaraha lengkah basajan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7237", "text": "Aya hiji rerencangan anu carita yen mamahna tos lima hari ieu teu tiasa nyarios, padahal pas isuk-isuk mah masih keneh nyarios normal. Manehna bingung kedah naon jeung teu ngarti naon anu nyebabkeun mamahna teu tiasa nyarios. Lamun nyarios teh teu aya sora na, tapi biwirna mah tiasa gerak sakedik-sakedik. Tos hampir sapoe, tungtungna mah mamahna dibawa ka dokter. Maranehna reuwas pas mamahna beunang panyakit struk. Sadayana teu percaya lantaran ti kamari mamahna sehat keneh teu mungkin gering. Dokter langsung mariosan kulawargina yen kedah ngajagi emameun mamahna jeung kedah terapi supados tiasa nyarios deui. Dokter oge masihan sababaraha ubar kanggo mamahna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7506", "text": "Basa SMP, Tuti gaduh pangalaman dipoyokan ku rererencanganna lantaran gaduh warna biwir anu hideung tuluy disebut gudang garam. Asalna mah nu moyokan manehna nan dua jalmi hungkul, tapi pas manehna nuju aya acara di kelas dua jalmi eta moyokan manehna di hareupeun kelas tapi epekteh sadayana oge nyeungseurikeun kabeh, manehna era jeung hayang pisan ngabalikkeun meja bakating ku keheulna. Pernah oge manehna sababaraha kali dipoyokan nu rerencangan anu sanes spaertos ditanyaan manehna ngaroko naon, padahal manehna teu pernah ngaroko tapi pedah biwirna hideung disebut ngaroko. Malah pernah oge manehna disebut goreng patut ku lalaki. Ti kajadian eta manehna teu wani ulin ka mamana, bisi dipoyok ku batur. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "330", "text": "Keur leutik pas urang di pasantren, urang dirawat oge ku lanceuk urang. Lamun di pasantren teh aya larangan ulah nonton TV, komo deui boga TV. Lanceuk urang teh nu jadi guru di pasantren eta, jeung manehna bogaeun TV ngan susulumputan ngameh euweuh nu apaleun salian ti kulawargana. Tapi hiji waktu pas nu sejen keur arindit, urang kalakah ngajak babaturan asup ka imah lanceuk urang sabari nongton TV. Urang kapergok ku lanceuk urang, sabab teu kanyahoan balikna. Beungeut urang langsung dikepret ku manehanana, nepikeun ka urang ceurik jeung embung balik ka imah eta deui. Nepikeun ka ayeuna bawaanna teh sieun mun rek ka imah eta deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6983", "text": "Nami abdi Rizal. Abdi pangusaha sukses. Abdi gaduh toko mebel anu maju. Hiji poe, kuring papanggih jeung hiji lalaki ngaranna Heri. Anjeunna nyarios yen anjeunna mangrupikeun investor anu daek nyayogikeun dana pikeun ngabantosan kuring ngembangkeun bisnis. Anjeunna oge jangji yen kalayan dana eta, kuring bakal meunang kauntungan anu ageung. Kuring resep kana tawaran eta, tungtungna mah abdi satuju kana tawaran Heri. Kuring masihan anjeunna sababaraha artos supados anjeunna tiasa ngurus investasi anu bakal dilakukeun. Nanging, kuring henteu nyangka Heri bakal nipu, nyandak artos kuring teras indit teu balik deui. Kuring ngarasa kaliru pisan lantaran percanten ka jalma-jalma anu kuring henteu kenal lila. Kuring diajar pisan tina pangalaman ieu ngeunaan pentingna milarian info ngeunaan batur sateuacan percanten ka aranjeunna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2998", "text": "Pamandangan anu kuring tingali nalika kuring muka panon kuring nyaéta kamar kuring anu poék (sabab kuring henteu tiasa bobo nalika terang) sareng teu aya cahaya ti luar. Kuring yakin éta isuk, tapi éta bener poék , pas eta teh urang sorangan. Sareng, sosok anu aya dina impian kuring ayeuna aya! Anjeunna nangtung di hareup eunteung tanpa nyanghareupan kuring kalayan lawon bodas anu ngagantung handap ka handap (Kuring henteu weruh naha lawon ngahontal lantai atanapi henteu). Kuring reuwas, tapi kuring mimiti mikir meureun kuring masih dina impian. Tungtungna kuring nutup panon kuring jeung kuring muka panon kuring deui, anjeunna teu aya. Sareng kuring henteu tiasa gerak atanapi nyarios! Naha ieu anu dicarioskeun ku jalma anu \"saré\" atanapi \"saré lumpuh\"? Upami éta, abdi henteu masalah ngalaman éta. Najan kitu, nalika kuring teu bisa gerak, kuring ngarasa aya nu neken kana kasur kuring, kasur kuring busa jadi mun dipencet saeutik, eta tilelep ka handap). Waktu éta kuring condong ka katuhu. Kuring ngarasa kawas batur nyoba naek kana ranjang kuring. Kuring ngarasa kasur di hareup beungeut kuring dipencet sarta kasur dina tonggong tonggong kuring ogé dipencet.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6873", "text": "Kamari mangrupakeun dinten anu luar biasa kanggo Jajang. Anjeunna dipilih janten siswa anu paling seeur prestasina di antara murid-murid di sakolana. Anjeunna bagja pisan sabab salami ieu anjeunna parantos kerja keras pikeun ngahontal ieu. Jajang leumpang nuju podium kalayan perasaan anu teu tiasa dijelaskeun. Pas anjeunna nangtung dina podium, sadayana masihan anjeunna keprok panjang. Jajang ngarasa puas ku prestasi na, sareng ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu ngabantosan anjeunna. Sadayana ngempel sasarengan jeung babagi carita kumaha carana Jajang tiasa sukses. Manehna teras diajar supados tiasa ngapertahankeun prestasi na. Jajang oge teu hoyong ngarasa gancang puas lantaran konci sukses mah kedah konsisten.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6305", "text": "Tah salah sahiji komunitas anu keur hits sabab pagaweanna meresihan runtah di mamana teh nyaeta Padawaragrup nu mimiti viralna tina aplikasi Tiktok. Grup ieu teh eusina sakumpulan pamuda anu rajin ngayakeun operasi kaberesihan di tempat anu loba pisan sampahan. Biasana sok di solokan anu kasumbat ku sampah, di gawir nu pinuh ku gundukan sampah, jeung sajabana. Beda jeung budak ngora ayeuna nu jarang pisan paduli kana sampaj, Padawaragrup berhasil ngabalikeun image eta. Berkat anjeunna nu rajin ngaberesihan sampah, mantak ngajadikeun loba pihak nu ngaapresiasi kagiatan ieu komunitas. Jadi loba nu kainspirasi ku grup ieu, nepi ka turun langsung ka lapangan jang meresihan gundukan runtah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6888", "text": "Ti enjing-enjing keneg kuring geus ngajanteng hareupeun leptop kanggo meser tiket konser, lantaran korsi na teu seeur, abdi kedah paboro-boro jeung jalmi anu sanes lantaran bulan kamari oge tiket konser na teh ngan hiji jam oge geus beak deui. Abdi deg-degan pisan, sieun teu meunang tiket padahal abdi tos nabung ti taun kamari kanggo lalajo konser ieu. Kuring tos ngadua ti peuting jeung geus tataros ka babaturan anu kantos meunang tiket, kumaha carana supados tiasa meunang. Pas tos dimulai abdi langsung mesen tiket, untungna abdi kabagean tiket. Abdi teu sabar patepang sareng idola kuring. Usaha nabung ti taun kamari oge teu sia-sia.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9206", "text": "Kamari teh ultah kuring. Kuring émut éta, tapi kuring henteu ngarepkeun kado, cukup ku ucapan salamet wae. Nalika kuring asup ka kamar asrama kuring sanggeus kuliah, kumaha reuwas kuring ujug-ujug lampu kamar hurung jeung batur sakamar kuring nyanyi lagu ulangtahun bari ngahurungkeun lilin di luhureun kuehna. Kuring bagja pisan dipasihan kejutan sapertos kieu. Saméméh kuring niup lilin, kuring nyieun sababaraha kahayang, tuluy niup lilin. Tapi ujug-ujug babaturan kuring ngalungkeun sesuatu kana sirah kuring. Ternyata eta teh endog atah, henteu malah hiji, tapi tilu endog atah beunang kana buuk kuring. Jujur, kuring hayang pisan ceurik waktu éta. Buuk kuring jadi kotor jeung bau, tapi kuring teu bisa némbongkeun yén kuring keur ambek. Ahirna kuring ukur bisa seuri, tuluy saanggeus beres kuring langsung beberesih di kamar mandi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4289", "text": "Basa ulang tahun urang anu ka 20 tahun, urang teu nyangka yen babaturan urang inget tuluy datang ka imah cicing cicing rek ngajieun kejutan. Inget pisan basa harita teh geus peuting urang balik kuliah jaba hujan girimis teu ereun ereun maranehna datang mawa kue ulang tahun jeung kado kado, urang anu karek beres mandi reuwas teu nyangka kacampur bahagia, da sugan teh geus tu inget ka ulang tahun urang, eh ari pek maranehna nyempetkeun datang jauh jauh, aya babaturan anu di haja datang ti luar kota keur ulang tahun urang bari hujan hujanan. Eta teh dimana urang ngarasa bahagia pisan, babaturan paduli jeung merhatikeun pisan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5159", "text": "Dina masalah leungit barang mah, komo deui nu berharga, nagan aya dua kamungkinan. Kamungkinan kahiji nyaeta leungitna sabab poho neundeun. Komo mun urang sok pohoan neundeun barang atawa sok cul we neundeun na di mana daek. Komo mun barang leutik, bakal hese kapanggihna oge da cul col na di mana wae. Tapi masih aya kamungkinan kang kapanggih eta barang. Najan emang bakal rada hese diteangan atau lila kapanggihna. Kamungkinan kadua nyaeta leungitna dicokot ku batur. Mun barang nu boga nilai jual, pasti bakal jadi inceran jelema jahat. Mun kaleungitan barang berharga terus teu bisa kapanggih deui, eta mah geus pasti aya nu nyokot.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2509", "text": "Sabenerna kuring rada reuwas waktu kuring dicaritakeun yen kuring keur kakandungan ku dokter opjin, dokter kandungan nu imahna padeukeut jeung kuring. Kakandungan kembar ieu disebut gemelli di dunya gawé kuring. Leres di kulawarga abdi aya kembar, tapi abdi masih reuwas ngemutan umur abdi anu tos tiasa disebat ngora deui, 35 taun. Kasempetan kembar biasana leuwih handap lamun kembar téh turunan ti garis bapana ti lamun éta ti pihak indung urang. Sanajan kitu, pasangan anu teu boga kembar masih boga kasempetan pikeun boga kembar. Anjeun ogé tiasa nyobian program inseminasi jieunan atanapi IVF upami anjeun hoyong gaduh kembar. abdi? Kakandungan ayeuna mah lumangsung sacara alami.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9209", "text": "Lanceuk kuring teh jalmana jail pisan. Sigana mah ampir unggal poe manehna boga waktu keur ngabodor ka kuring jeung kulawarga, boh kuring, adi kuring, dulur-dulur kuring nu sejen, jeung rea-rea deui. Sareng anu paling kuring henteu resep nyaéta nalika anjeunna jail, anjeunna bari jaik nya bri jorok ongkoh. Sakali nalika kuring nuju tuang di lantai handap, anjeunna ujug-ujug ngadeukeutan kuring sareng kuring parantos terang tina tampilan beungeutna yén anjeunna badé jail, terus kuring waspada. Tapi nalika anjeunna ngadeukeutan kuring anjeunna jempé sababaraha detik lajeng anjeunna hitut di hareup kuring sarta ngumpulkeun bau hitutna dina leungeunna, lajeng dileupaskeun dina piring dahareun kuring saolah-olah anjeunna mere rempah. Kuring ambek langsung teu napsu jeung teu hayang nuluykeun dahar, sabab langsung jijik ku kalakuannana. Kuring langsung ngumbah leungeun kuring, terus balik deui ka kamar sabab kuring geus teu mood deui neruskeun dahar. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6994", "text": "Teu kabayang kumaha rasana budak umur dalapan taun kedah nyanghareupan masalah anu serius pikeun umurna. Bapa jeung indungna cerai. Manehna sedih pisan lantaran teu kapikiran bakal aya masalah ieu nepi keun mikir yen ieu sadayana teh lepat na. Manehna ngarasa yen lamun manehna teu nyieun salah, indung jeung bapana moal matak cerai. Budak ieu tetep nyobian ngajalankeun hirupna sapertos teu aya nanaon. Tetep angkat ka sakola, ulin jeung rerencangan na, maca buku, lalajo pilem, tapi rasa sedih masih keneh aya, teu tiasa dileungitkeun. Sasakali manehna datang ka mamah jeung bapana, tapi sadayan tos benten, teu sapertos baheula basa masih keneh sasarengan janten hiji kulawargi anu utuh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8971", "text": "Waktu éta kuring ningali aya kueh red velvet dina kulkas, katingalina teh ngeunah pisan. Nalika kuring nanya ka ibu, ibu nyarios teu kunanaon di dahar ge. Kuring langsung ngahakan ukeh eta nepi ka beak satengahna, rasana bener-bener nikmat, ditambah rasa tiisna sabab disimpen dina kulkas. Peuting, kuring balik ka imah si aa nanyakeun saha nu geus ngadahar kueh manehna. Jujur, kuring sieun dicarekan ku aa, tapi tungtungna kuring ngaku oge yén kuring anu nuang eta kueh. “Naha kuéh aa didahar? Teu ijin deui ka aa.\" Taros manehna. \"Enya ceuk Mamah bae didahar oge.\" Waler kuring. “Nu gaduh kuehna kan aa, naha nyariosna ka mamah? nya pasti atuh mamah mah mere idin.\" Ceuk manehna keuheul. Bkat ku sieun kuring ngan ukur bisa nutupan awak ka tukangeun mamah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2504", "text": "Hiji lotre resmi dina pamaréntah Filipina ngaluarkeun angka unik nu ngarah ka leuwih ti 400 jalma meunang lotre. Kombinasi anu dihasilkeun nyaéta kelipatan salapan, nyaéta 9, 18, 27, 36, 45 jeung 54. Kantor Lotre Amal Filipina (PCSO) ngumumkeun juara Grand Lotto 236 juta pesos Filipina (4 juta dollar AS) Sabtu kamari. jackpot ieu disebarkeun diantara 433 winners. Ieu jumlah pangluhurna jalma anu kungsi meunang Grand Lotto. Tiap di antarana mawa leuwih ti 545 rébu péso Filipina atawa 9.000 dollar AS. Numutkeun BBC, pamilon Grand Lotto kudu milih genep angka ti hiji nepi ka 55. Aranjeunna meunang lamun sakabeh genep angka dipilih cocog jeung digambar ku operator lotre.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6074", "text": "Panic attack teh mangrupakeun gangguan kasehatan mental nu bisa diatasi ku dua cara. Nu kahiji nyaeta ku cara ngonsumsi obat-obatan. Biasana ngonsumsi obat-obatan teh supaya bisa nenangkeun diri jeung bisa nangani gejala panic attack. Efek konsumsi obat-obatan teh bisa dirasakeun perubahanna saenggeus sababaraha minggu rutin ngomsumsi. Tapi, ngonsumsi obat-obatan teh nimbulkeun efek samping jangka panjang kana kasehatan. Nu kadua nyaeta datang ka tempat psikoterapi. Terapi bisa jadi salah sahiji cara ampuh dina ngatasi panic attack. Carana nyaeta ku rutin dibimbing ngatur emosi, ngajaga pola tidur, ngatur mood, jeung ngikuti serangkaian kagiatan terapi supaya bisa ngaminimalisir terjadina panic attack. Jalur terapi oge jadi pilihan sabagena besar jalma dina nangani gangguan kasehatan mental.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6006", "text": "Basa nuju ngasuh budak dununganna, Neni teh teu kahaja kabongohan. Budakna teh keur uulinan di buruan sosoranganan, Neni ngawasi bari beberes nu sejen. Keur sasapu, eta budakna teh ceurik. Pas ditempo ku Neni teh keur ceurik sabab tikusruk kana tehel teras imah. Tarangna beureum bari rada ngajendol belah katuhu. Cerik na jejeritan bari teu eureun-eureun salila-lila. Beungeutna meuni koat geus beureum sepa sabab ceurik teu repeh-repeh. Benjolna di tarang katuhu, leungeun katuhuna ge bared saeutik sabab samemeh labuh sempet ngurawil kana pot bunga. Untungna geus lila teh daekeun repeh. Neni meuni gegebegan sabab sieun dununganna nyarekan sabalikna ti pagawean teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "791", "text": "Meteran PLN biasana posisina sok aya di jero imah, aya oge di luar imah. Tapi meteran imah urang mah ayana di jero imah, jadina mun aya petugas ti PLN rek ngecek meteranna teh sok asup imah heula. Lantaran geus lila sok ngecekan jeung asup ka imah, jadina geus percaya. Tapi hiji poe mah petugas PLN na teh beda lain nu biasana, ku urang ditelek-telek dina kaca, manehna nyokot barang nu aya di imah. Ku urang kapergok tah petugas PLN teh, urang ambek-ambekan naon maksudna nyokot barang nu lain hakna? Sedengkeun petugas PLN teu ngaku-ngaku, tapi manehna langsung indit sabab sieun digulung ku masarakat satempat.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9248", "text": "Sangkan urang teu éra sabab disebut boga bau awak, aya sababaraha cara anu bisa urang pigawé pikeun ngaleungitkeun bau awak. Kahiji, mandi sing rajin. Mandi sacara teratur 1-2 kali sadinten, atanapi saatos olahraga atanapi ngalakukeun kagiatan anu nyababkeun anjeun kesangan pisan, mangrupikeun cara anu paling gampang pikeun ngaleungitkeun bau awak. Pastikeun wewengkon nu kesang loba dikumbah beresih jeung tuntas. Kadua, make sabun antibakteri. Ngagunakeun sabun antibakteri nalika mandi ogé bisa dijadikeun pilihan pikeun ngurangan jumlah baktéri anu ngabalukarkeun bau awak. Nanging, urang panginten henteu disarankeun pikeun ngagunakeun sabun antibakteri upami urang gaduh alergi atanapi iritasi kana sanyawa anu aya dina produk sabunna, sabab éta bakal nyababkeun masalah di kulit urang. Awak urang teu jadi beresih tapi malah mawa panyakit.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4290", "text": "Saha jelema anu teu reseup kana hadiah? Eweh pisan hiji oge batur anu teu reseup meunang hadiah, hadiah naon wae tinu leutik misalkeun ngan permen nepi ka hadiah nu gede misalkeun lamun meunang alat elektronik. Lamun rek meunang hadiah aya rupa rupa carana, misalkeun meunang undian ,hadiah tina ciki, atawa lamun budak biasana bisa meunang hadiah ti indung bapana lamun meunang rengking disakola atawa tamat puasa lamun leutik keneh. Hadiah bisa naon wae teu ngan barang tapi oge duit, lamun lebaran tah barudak sok loba meunang hadiah duit ti dulur dulur na anu biasa di sebut THR. Jadi hadiah bentukna bisa naon wae.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4433", "text": "Mall nyaeta tempat umum, tempat paranti jelema neangan hiburan lamun geus suntuk atawa capek. Mall teh tempat anu bebas, saha wae bisa asup henteu kecuali. Tapi nya teu bisa di sangkal oge lamun mall mall anu biasana tempat jelema beunghar ulin lamun urang asup kadinya tuluy panampilan urang beda kaciri siga jelema teu boga urang bakal di tempokeun ti luhur nepi ka handap. Urang bakal henteu di percaya yen urang oge boga duit lamun asup atawa rek ngajaran misalkeun meuli baju dina toko toko didinya. Pagawe na bakal baeud. Pernah urang datang kahiji toko merek terkenal di jero mall make sandal capit urang teu di layanan alua siga nu kapaksa, urang na jadi ngarasa teu nyaman kusabab teu di perlakukeun adil jeung nu lain na. Aro geus kitu mending mangkat neangan anu sejen.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5282", "text": "Abdi pernah ngalami hal nu sedihna kabina-bina, nyaeta kaleungitan orang tua salamana. Basa orang tua aya keneh mah, abdi teh sok hare-hare wae, tara daek dititah, jeung tara ngabantuan pagawean. Ai geus teu aya mah geuning karasa, ngarumas jeung sedih pisan ngajalani hirup teh. Kaditu kadieu asa bimbang, komo kudu nguruskeun pagawean imah mah. Tah mantak ge, ka baraya nu orang tua na masih aya keneh, jaga sing bener, cumponan sagala kahayangna, baturan jeung rawat sing bener, sabab mun tos teu aya mah urang moal tiasa deui ngabakti salian ti ngadoakeun mah. Ulah nepi ka kaduhung jagana, pupusti ti ayeuna keneh!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "256", "text": "Lamun kolot bungah urang oge sok ngarasa bungah. Aya sababaraha cara ngarah bisa ngabungahkeun kolot sorangan. Nu kahiji kudu bisa ngaluangkeun waktu jang ngajak ngobrol. Sabab beuki kolot bakal leuwih resep ngobrol komo lamun diajak ngobrol ku anakna sorangan. Ulah nepikeun kolot ngarasa kesepian kubakat sibuk teuing ku urusanna sewang-sewangan. Nu kadua ngadengekeun wejanganna. Emang kolot moal ngarti masalah atawa pagawean sautuhna, tapi maranehna bakal tuluy mere wejangan nu paling hade jang anak-anakna. Nu katilu, mangmeulikeun dahareun nu dipikaresep atawa dahar babarengan. Kolot pasti bungah lamun pas balik gawe dipangmawakeun dahareun nu dipikaresepna, komo deui lamun dahar babarengan. Nu terakhir teu poho nelepon maranehanana, sanajan keur sibuk oge kudu nyempetkeun waktu jang bisa nelepon. Bisa pas waktu istirahat, atawa pas peuting saberes balik gawe.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "694", "text": "Pas manggih harta karun jeung Anggi teh aya omongan antara arurang duaan, yen ieu dek di kumahakeun hasil meunang harta karun teh, naha dibagi dua atawa dibikeun ka RT jeung diumumkeun ka warga meh apal kudu kumaha. Anggi nyorongot bari motong omongan, manehna hayang harta karun ieu teh dibagi duaan, warga ulah dibere nyaho komo diberekeun ka RT mah soalna ieu nu manggihan teh duaan. Di hiji sisi emang urang teh sapuk jeung pendapat Anggi, tapi rek kumaha wae ge arurang hirup di masarakat, tangtu leuwih alus mun di musawarahkeun jeung warga. Ari geus di musawarahkeun mah pek eta kumaha alusna kaputusan ti warga, soalna eta lain hak urang oge.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3021", "text": "Kadang-kadang nalika anjeun aya di tempat asing, suasana tiasa ngadominasi pikiran hiji jalma, anu teras nyiptakeun rasa panik anu kaleuleuwihan. Pikeun anjeun anu sering ngalaman hal ieu, ieu kumaha cara ngatasi panik nalika iinditan sareng di tempat asing.\r\n 1. Boga tujuan\r\nNyaho sareng terang dimana anjeun badé angkat, tong hilap milarian inpormasi saloba-lobana supados nalika anjeun sesat atanapi ngalaman panik, anjeun terang kumaha carana ngadamelna.\r\n2. Panggihan layanan darurat di sabudeureun lokasi Anjeun\r\nIeu tiasa atra, tapi dunya bakal béda upami anjeun dina kaayaan panik. Kusabab urang mindeng sieun naon urang teu nyaho. Candak sababaraha waktos nalika ngarencanakeun perjalanan anjeun ngan ukur nyerat nomer darurat sareng rumah sakit di tujuan anjeun.\r\n3. Pikir Positip\r\nNalika serangan panik dimimitian, sinyal otak bakal ngahasilkeun respon biologis nyata dina awak, sarta merangsang indra anjeun pikeun mareuman input ka uteuk. Dina istilah basajan, ngagunakeun indra sangkan bisa ngadalikeun parasaan nu teu bisa dikawasa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5261", "text": "Tips supaya urang bisa katarima di universitas. Nu kahiji nyaeta coban kabeh jalur masuk, tong pulah-pilih. Msalna urang nyobaan tes SBMPTN, urang ge kudu nyobaan UMPTKIN, jalur mandiri, jeung sajabana. Tong terpaku ka hiji tes, tong ngandelkeun hiji jalur hungkul. Nu kadua nyaeta tong pilih-pilih kampus. Kapus mana-mana ge sarua wae, kumaha urangna dina kualitas mah. Jadi, mun dafta teh cobian we ka sababaraha kampus, tong terpaku kanu dipikahayang ku urang hungkul. Kudu lobakeun ngeusian kasempetan supaya teu nyese teuing sabab panasaran. Nu katilu nyaeta cobaan jalur prestasi universitas. Mun urang gaduh piagam atawa sertifikat prestasi, cobian peluang daftarna dina jalur prestasi, rata-rata sok katampi, tapi prestasina minimal tingkat kabupaten jeung nu diayakeun ku lembaga nu tersertifikasi oge.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "261", "text": "Poean 17 Agustus, geus lain rasiah deui lamun loba nu ngayakeun raramean ti tiap kampung, kaasup oge kampung urang. Biasana lomba nu diayakeun teh rupa-rupa, aya panjat pinang, balap karung, ngasupkeun paku kana botol, neundeun kaleci kana sendok, jeung sajabana. Urang paling jago dina lomba balap karung, da sok meunang wae mun miluan lomba balap karung teh. Sabenerna euweuh latihan khusus, malah mah euweuh pisan, jadi pas poean lomba teh langsung weh lomba, praktek oge tara. Harita urang balap karung jeung babaturan ulin aya limaan. Lomba na teh diayakeunna di gigir imah urang, sabab didinya aya lapang urut sawah anu geus panen. Pas poean lomba balap karung, urang juara 1. Hadiahna teh dibere duit Rp 10.000, tangtu bungah da keur leutik mah duit sakitu teh gede bisa meuli naon wae.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9196", "text": "Urang mindeng ngarasa jijik lamun urang nempo dahareun nu geus busuk. Aya sababaraha cara pikeun nyegah kadaharan gancang busuk. Kahiji, ulah nempatkeun daging atah dina kulkas di rak pangluhurna. Daging atawa lauk atah ngandung getih jeung cairan nu bisa ngeclak jeung ngotorkeun dahareun lianna ku baktéri anu bakal ngabahayakeun. Janten, urang ulah nyimpen daging atanapi lauk dina rak kulkas pangluhurna. Urang tiasa nyimpen daging dina freezer, tapi upami hoyong nempatkeun dina kulkas, pilih rak nu handap pikeun neundeunna, misah tina tuangeun asak sareng tuangeun atah sanésna sapertos buah sareng sayuran. Kadua, nutupan dahareun sing pageuh. Saméméh disimpen dina kulkas, asupkeun dahareun dina wadahna kedap udara, atawa nutupan kalayan bungkus plastik. Ieu bakal ngajaga dahareun jadi seger jeung nyegah pembusukan. Lamun nuju rurusuhan, tutupan dahareun ku foil timah atawa aluminium foil.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3323", "text": "Lamun datang ka ragrag dahareun, anjeun pengikut \"teu acan 5 menit\"? Eureun geura! Ragrag salila kurang ti 5 detik, kadaharan masih bisa kotor jeung bahaya lamun tetep dahar eta. \"Henteu 5 menit deui,\" anjeun nyarios sacara spontan nalika anjeun tuang tuangeun di lantai anu katingali beresih. Duh, hadé geura eureunan kabiasaan ieu. Kusabab sanajan teu acan 5 detik, kadaharan kotor tiasa berpotensi bahaya upami masih dikonsumsi. Di Indonésia, tinimbangan bisa jadi \"teu acan 5 menit\", tapi di nagara Kulon rujukanna \"teu 5 detik\" atawa aturan 5 detik. Intina mah sarua, terus ngadahar kadaharan nu murag ka lantai salila teu 5 detik geus kagolong aman. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5638", "text": "Kasus pasangan nu salingkuh teh jadi salah sahiji kasus nu loba pisan dipanggihan di Indonesia. Rata-rata pasangan nu salingkuh teh sabab aya kateu sasuaian di antara duanana. Loloba na mah nu salingkuh teh pihak lalaki sabab geus bosen ka awewena. Tapi jaman ayeuna mah justru sabalikna, lolobana awewe nu nyalingkuhan lalaki teh gara-gara alesanna awewe leuwih bisa mandiri dina kauangan tibatan lalakina. Jadi bisa ngalakukeun hal naon wae sakadaekna. Loba oge rumah tangga nu hancur gara-gara ieu kasus. Lain saeutik oge jalma nu bahkan leungit kasadaran nana sabab mikiran persalingkuhanna jero teuing nepi ka teu bisa narimakeun make akal sehat.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6262", "text": "Rata-rata WC umum mah sok jorok, komo mun di tempat kolam renang mah. WC nu aya di tempat kolarenang mah rata-rata laleueur pisan. Dina kamar mandi na teh sok loba plastik bekas sabun, tempat saluran caina sok kasumbat sabab loba rabut nu nyumbat. Kadang mah aya pembalut nu teu dibungkus jol diteundeun dina tempat sampah. Paling geuleuh pisan mun ningali nu kitu teh. Jadi awewe teh lain mah berseka, sing apik, lain kalah miceun pembalut sembarangan. Manta geuleuh pisan bari jeung bau dina WC na ge. Komo mun nepi ka pembalutna nyumbat WC mah, mantak kesel pisan kalakuan teh. Mun teu asup da butuh ka WC bari jeung geuleung ge.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5247", "text": "Ti alit, abdi gaduh trauma kana tempat poek. Mun ningali tempat poek teh sok inget kana kajadian traumatis bawa keur umur genep taun. Harita abdi bobo siang, ngan kalabasan dugi ka sore. Bakat ku hese digugahkeunna waktu rek maghrib ge abdi masih keneh can gugah. Pas adzan maghrib nembe gugah. Kacida reuwas na pas gugah abdi ningali sosok hideung tatih di gigireun kasur bari merong ka abdi. Beungeutna ruksak, kulitna ngolopek, jeung aya geutihan ngucur dina beungeutna. Awakna hideung ti luhur nepi ka handap. Lila kalilaan eta beungeut teh ngadeukeutan abdi. Bakat ku sieun, abdi nyungsep kana bantal supaya teu ningali eta deui. Pas mamah nyampeurkeun, nembe we abdi kersa gugah tina kasur. Saprak harita abdi kapok teu hoyong bobo sore-sore deui, komo mun ningali tempat poek mah, asa titingalieun wae.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5303", "text": "Acara perpisahan sakola teh bisa jadi acara nu ngan kalakonan sakali saumur hirup. Dina acara perpisahan teh sok aya rasa bungah jeung rasa sedih. Bungahna sabab tiasa ngabereskeun atawa namatkeun pendidikan dugi ka beres. Sedihna nyaeta bakal pisah jeung babaturan nu salila ieu babarengan. Dibanding bungahna mah leuwih loba keneh sedihna. Geus kitu teh sedih oge deuih da papisah jeing guru nu tos ngajar mere elmu salila ieu. Babaturan jeung guru-guru teh duka bakal iraha deui pependakna ge. Tah samemeh urang bakal pajauh, hayu ah sapoe kelulusan ieu urang beakeun momen kabersamaan urang. Tapi tong hilap oge mun tos pajauh kudu saling chatan, tong nepi ka miceun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6402", "text": "Minim pengetahuan bahasa Inggris teh jadi salah sahiji hal nu bakal ngerakeun di zaman ayeuna mah. Pentingna bahasa Inggris teh kudu disadari sejak dini sabab sagala aspek kahirupan teh pasti butuh pisan pengetahuan bahasa Inggris minimal pasif. Abdi pernah ngiringan tes toefl di kampus. Pas sertifikatna kaluar, sugan abdi mah typo sabab aya tulisan \"dean\". Nya ku abdi teh dibalikeun deui ka lembagana, bari nyuhunkeun perbaikan. Eh singhoreng mah bener, kan kata eta teh tina bahasa Inggris, sanes bahasa Indonesia. Jadi, sadayana teu aya nu typo atawa salah. Abdi meuni isin pisan harita sabab hal sepele wae ge meuni teu apal. Tah mantak kudu pisan bisa bahasa Inggris teh, minimal pasif we.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4322", "text": "Bus jeung pesawat nyaeta kendaraan atawa alat transportasi umum anu jadi piliheun loba jelema salian ti kareta. Bus jeung pesawat di pilih kusabab pesawat jeung bus bisa di andelkeun lamun kondisi na rek buru buru mangkat komo lamun perjalanan jauh. Tiket bus jeung kareta bisa di pesen harita keneh da pilihan jeung jam na loba. Bisa pisan nulungan urang anu misalkeun kudu mangkat ngadadak beda jeung kareta anu kudu di pesen ti jauh jauh sememehna lamun anu jarak jauh. Jadi lamun bus jeung pesawat lamun urang butuh na gancang harita keneh aya, asalkeun urang na oge kudu gancang, soalna lamun henteu nya sia sia weh nu aya urang bakal katinggaleun pesawat atawa bus na, ari kitu pan nyaah pisan tiket na. Geus urang di bebereg meunang capek rareuwas bisi katinggaleun. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5162", "text": "Mun naek kandaraan umum, utamana naek angkot, urang kudu pisan hati-hati. Sabab ayeuna mah geuning seueur kajadian copet nu komplotan dina angkot. Cara nyopetna nyaeta dilakukeun ku sababaraha jelema nu peranna beda-beda. Aya nu bagean nyokot dompet, aya nu bagean ngajak ngobrol supayangecoh si korban. Tah hal nu kieu teh kdu jadi perhatian jeung arurang sarerea supaya leuwih hati-hati neundeun barang. Mun dina angkot kitu, coba simpen tas teh dilahun, mun aya jalma nu mepet tempat diuk urang, urang kudu buru-buru nalingakeun tas atawa barang bawaan, bisi dicopet. Intina, neundeun tas atawa barangna ulah di deukeut batur, kudu di lahunan urang nu kajangkau kenca katuhuna. Yuk ah leuwih hati-hati jeung leuwih waspada ka batur nu mencurigakan!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1023", "text": "Acrophobia nyaeta phobia atawa sieun nu kaleuleuwihi kana tempat anu luhur. Ngarasa sieun pas keur aya di tempat anu luhur, siga di gedung, di gunung, di jembatan atawa di tangga. Biasana mun keur cicing atawa ngaliwat tempat anu luhur sok muncul kesang tiis dina sakabeh awak, detak jantung oge jadi sok ngagancangan jeung berdetakna henteu teratur. Di tambah mun keur aya di gedung nu luhur tuluy ninggali ka handap, hulu teh sok langsung rieut jeung sok ngarasa mual. Tuluy mun keur ngaliwatan jembatan sabari naek transportasi, sok aya rasa sieun tuur ngaderegdeg bari panik sieunna teh jembatan eta ngagebro kahandap.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2593", "text": "Psikolog Julie de Azevedo Hanks, Ph.D, LCSW ngécéskeun, kurang sare jeung kacapean bisa unknowingly ngabalukarkeun outbursts emosi. Kurang saré ngajadikeun uteuk ogé capé sahingga karyana ngurangan. Hasilna, anjeun sesah konsentrasi, sering bingung, sesah mikir anu jelas, sareng sesah nyerna inpormasi anyar.\r\nAwak kacapean ditambah sareng kerja otak anu leuleus nyababkeun produktivitas turun drastis. Kana waktu, kaayaan ieu bisa stress anjeun kaluar. Stress ti pagawéan, ditambah efek kurang sare, bisa nyieun émosi ngabeledug kawas bom waktu ticking. Contona, anjeun hariwang sabab pagawéan teu acan réngsé, sanajan wates waktuna ketat, lajeng lamun batur nanya ngeunaan pagawean atawa urusan sejenna, anjeun bisa gampang ambek. Kanyataanna, anjeun teu kudu ambek mun ngajawab.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2180", "text": "Baheula Badi jeung kembaran milih UGM, urang duaan milih UGM. Anjeunna, kembaran kuring, masih konsisten pisan nyandak Psikologi, sedengkeun kuring milih Kartografi (sanes program studi anu kuring pilih di tengah SMA). Duanana teu lulus SNMPTN. Kuciwa? pisan! Urang leungit. Saméméh sakabéh paguron luhur ngamimitian mangsa pangajaran TA, urang masih kénéh nyokot kelas les pikeun nyiapkeun SBMPTN. Kuring masih bingung milih naon, sabab kuring teu pati resep kana program studi anu loba dipikaresepna, saperti Komunikasi, Hubungan Internasional, Ekonomi, jrrd. Pilihan kuring masih fokus kana sastra, tapi kolot kuring mamatahan kuring nyandak Sastra Inggris. kembaran abdi? Masih neraskeun Psikologi UGM, jaman. Nyadangkeun? Sumuhun, tapi UGM masih pilihan idéal pikeun manéhna. Urang teu lolos deui di SBMPTN. Waktos ieu, kuring henteu kuciwa teuing, sabab kuring ngartos masih seueur pesaing. kembar kuring oge kuciwa, tapi teu teuing kuciwa. nya kudu tiasa jang neangan nu lain nu nyieun urang move on bahasa namah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5696", "text": "Salah sahiji hal nu oaling ngajengkelkeun nyaeta mun pagawean urang kalahka digawean ku batur, bari jeung digaweannana teu bener. Pernah abdi dina tim teh kabagean nyieun artikel jurnal bagean teori jeung landasan berpikir. Saenggeus framing teh kabeh dibagi bagean sasuai jeung pokok tema nu geus diframing. Ngerjakeunna teh dina google docs, jadi bisa diakses ku babaturan satim. Pas abdi bade ngerjakeun bagean abdi, eh geus dikerjakeun ku babaturan abdi nu manehna bagean pembahasan. Ai dibaca teh teori nu dikaitkeunna teu nyambung, cara ngajelaskeunna ngopy paste pisan tina sumber di internet, lain buku. Abdi jengkel pisan ka manehna sabab ngerjakeunna asal-asalan, padahal kan ieu teh proyek artikel jurnal jeung dikirimkeun supaya dimuat, jadi kudu orisinil. Ku abdi langsung we diganti kabehna make bahasa sorangan, jeung sumberna tina buku jeung jurnal nu tervalidasi.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4043", "text": "Akhirna saengges lima bulan nabung urang boga duit anu lumayan gede, urang nabung ti gajih gawe. Urang nabung karna hayang meuli baju jeung sapatu, tapi urang hayang meuli anu rada mahal meh kapakena lila. Soalna salama ieu urang mun meuli baju jeung sapatu sok nu murah, jadi kapakena teu bisa lila. Urang nabung di aplikasi anu sistem nabungna teh ka mini market deket imah jiga setor tunai, soalna mun di simpen di dompet mah kapake wae. Salama lima bulan eta urang meunang lima ratus rebu, terus balik gawe poe sabtu urang ka butik nempoan baju anu hargana teh saratus rebu kaluhur. Aya tah baju anu unik ceunah mah impor ti bangkok, pas di pake teh nyaman pisan beda meren baju mahal mah. Urang langsung meuli saengges di cobaan, Terus pas geus meuli baju urang ka toko sapatu. Di toko sapatuna lolobana sapatu bermerek hungkul, jeung mararahal. Tapi aya anu rada murah ge kisaran saratus rebu, pas geus aya anu ku urang resep, urang cobaan teuteula kagedean soalna nomor 38 kuduna nomor 36 da suku urang mah leutik. Balik ka imah urang atoh pisan boga baju jeung sapatu anyar, komo eta meunang hasil duit gajih sorangan jeung ngumpulkeun lila nepika lima bulan. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2955", "text": "Waktu harita kuring rek indit ka sakola make angkot nu ka terminal Kampung Melayu sabab sakolana keur rek direnovasi, jadi kudu naek.\r\nBasa rek ngaliwat ka tikungan hareupeun stasion Jatinegara, ujug-ujug aya budak STM (kusabab aya 20 budak) rek naek kana beus 9A, tapi ku sabab beus teu eureun-eureun, lumpat rada naek kana beus hiji-hiji, tapi hanjakal aya nu rek naek jeung gagang pantona malah lesot kalindih ku ban tukangeun beus, tuluy maot sakedapan.\r\nKajadian teh pas dihareupeun panon kuring teh kabeneran keur diuk di jok hareup (gigireun supir) kuring langsung ceurik lantaran sieun, nepi ka hareupeun sakola kuring turun tina beus jeung langsung. Kuring murag kana trotoar sabab lemah pisan kakarekeun nempo kacilakaan dahsyat. Ti harita kuring teu wani naek beus, kopaja atawa metromini.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7232", "text": "Lantaran beas di imah keur seep, jeung seeur bahan-bahan masak anu tos seep di imah, abdi dipiwarang balanja ka minimarket ku mamah. Mamah nitip pang meserkeun beas, minyak, endog jeung sabun. Abdi langsung angkat ka minimarket anu dekeut ti imah, teras milihan barang-barang anu bade dipeser. Pas mayar ka kasir, total balanja kuring tos leuwih ti saratus rebu, janten kuring tiasa milih hiji hadiah nu aya di hareup. Abdi langsung milih minuman, lumayan lima rebu meunang tilu botol, tiasa dibagikeun ka adi jeung lanceuk. Teras kasirna nawaran abdi janten member supados meunang diskon. Abdi langsung daptar jeung meunang potongan tilu puluh rebu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8209", "text": "Sieun ngalakukeun dosa teh salah sahiji ciri jalmi nu gaduh katakwaan nu geus luhur. Jalmi nu sieun ngalakukeun dosa teh, jalmi nu ngartos pisan soal agama tur takwa ka gusti Allah. Manehna nyahho upami ngalakukeun dosa sanyumput-nuyumputna oge tangtos gusti Allah nyaho naon nu diperbuat ku hambana. Sieun ngalakukeun dosa teh kudu digaduhan ku umat muslim ayeuna kusabab ayeuna teh seueur nu ngumbar-ngumbar dosa nu tos dilakukeun. Padahal Allah teh tos nutup aib-aib sareng dosa-dosa nu urang lakukeun nanging manusana nyalira nu ngabuka aib sareng dosa-dosana. Sieun ngalakukeun dosa teh janten salah sahiji cara pikeun ngajauhkeun urang ti perkawis-perkawis nu teu ngagaduhan manfaat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4314", "text": "Salian ti jadi lelucon jeung hereuy keur seserian prank oge bisa di jadi keun sosial expreriment ayena nyaeta ngetes jiwa sosial batur lamun ningali hararese na hirup batur. Di dinya oge bisa nempo jeung nyokot hikmah tina kagiatan eta biasana mah ngeunaan bersyukur. Kagiatan ieu oge baheula geus rame jeung di lakukeun di youtube, baim wong baheula mindeng pisan nyieun konten kawas kieu. Dimana urang ngabohong atawa nyamar jadi jelema anu butuh pitulungan di jalan jalan tuluy nyampeurkeun ka jelema anu rek di prank tuluy menta dahar sugan atawa menta duit. Reaksi jelema anu di prank ieu anu di tungguan, biasana mah pas jelema na balik deui terus mere nyaho lamun bobohongan teh jelema na bakal reuwaseun pisan teu sangka. Dina carita kagiatan eta salian ti ngahibur tapi oge mawa pelajaran sangkan leuwih bersyukur.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6395", "text": "Bau awak teh jadi salah sahiji permasalahan anu loba pisan dialaman ku jalma. Mantak, supaya teu pati ba awak, yuk laukeun tilu hal ieu. Nu kahiji nyaeta rutin mandi make sabun nu ngandung parfum, tujuanna supaya ngaberesihan awak bari nyeungitan ti jero. Nu kadua nyaeta make deodorant saberes mandi teh, supaya teu bau kelek nu bakal nular ka bau awak. Nu katilu nyaeta pake parfum anu cocok, teu nyengat teuing, supaya bisa ngacover bau awak urang. Salian eta, kalembaban awa oge kudu dijaga pisan, ulah nepi ka lembab teuing da bakal ngundang keringet jeung bau awak. Kudu jaga awak supaya tetep garing jeung saeutik lembab.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8529", "text": "Di dieu aya sababaraha cara nu bisa mantuan nungkulan isin make baju sarua jeung jalma sejen. Kahiji, eta pangalusna pikeun nampa yen kaayaan lumangsung sarta yen urang moal bisa ngarobah naon anu lumangsung. Coba teu mikir ngeunaan eta sarta difokuskeun acara ayeuna. Upami anjeun ngarasa isin sareng teu nyaman, cobian ngobrol sareng jalma sanes sareng ngobrol santai. Ieu bakal nulungan anjeun ngarasa leuwih rileks jeung ngarasa leuwih alus. Seuri bisa mantuan anjeun ngarasa leuwih percaya diri jeung nempatkeun batur betah. Tong mikirkeun naon anu dipikirkeun ku batur ngeunaan kaayaan eta. Fokus kana positip sareng cobian ngaraosan acara anu lumangsung. Panginten anjeun tiasa ngobrol sareng jalma sanes atanapi ningali barang-barang dina acara eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6325", "text": "Salah sahiji hal nu dipikageuleuh tina miara ucing teh nyaeta mun geus geringna. Biasana ucing geuring mah sok pikageuleuheun. Komo mun nepi ka flu mah, sok beresin tuluy lehona teh ka mana-mana ngecret. Buluna oge sok loba jamuran, kulitna budug, komo ceulina mah sok pinuh ku jamur nu ngagorogotan, nepi ka aya nu beak ceulina teh. Tuluy mun geus gering teh sok miceun sembarangan, di mana wae. Malahan mah sok miceun di jero imah. Tah hal ieu teh ngageuleuhan pisan dunuganna. Pasalna, ngurus ucing gering teh teu sakeudeung jeung kudu leukeun pisan, utamana mah ulah jorokan jalmana, kudu bisa tahan kageuleuh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5990", "text": "Cara nu bisa dilakukeun supaya urang teu tilelep dina kolam renang nu jero. Nu kahiji nyaeta guyang atawa renang di kolam nu masih kajangkau ku tinggi badan, ulah wawanian kanu jero mun teu bisa ngojay mah, komo mun euweuh nu ngawasi mah. Nu kadua nyaeta nyobaan ngambang dina cai supaya teu tilelep. Konci ngambang na cai teh ngan hiji nyaeta rileks jeung tenang. Mun nepi ka rusuh mah potensi tilelep na ge bakal nambahan. Nu katilu nyaeta coba make pelampung atawa alat bantu lainna supaya teu tilelep jeung masih bisa ojay-ojayan di temoat nu jero. Tong hilap oge sasuaikeun jeung kamampuan urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1103", "text": "Aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun pas diudag ku anjing. Nu mimiti urang ulah panik, penting jang tetep tenang oge teu panik pas diudag anjing. Lantaran anjing bisa ngarasakeun rasa kasieun atawa hariwang dina diri jelema jeung bisa ngarespon jang nyerang. Nu kadua ulah ninggali mata anjing sacara langsung, ieu bisa dianggap salaku ancaman atawa tantangan. Nu katilu ulah lumpat, sanajan insting alami pas diudag anjing nyaeta lumpat, tapi hal ieu bisa nyebabkeun anjing beuki ngarasa terangsang jeung ngudag urang oge leuwih agresif. Nu terakhir lamun anjing tuluy ngudag jeung embung eureun, coba jang ngagunakeun sora teges jeung ngaluarkeun sora \"indit!\". Lamun situasina tetep anjing ngudag-ngudag, geura-geura menta bantuan ka batur.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7878", "text": "Peuting ieu aya rerencangan abdi anu mondok di imah kuring. Sabenerna kuring rada era lantaran sepre jeung simbut teu acan digentos. Matak teu heran pas manehna make simbut, manehna baueun lantaran aya tilas acay jeung kesang. Abdi langsung era pisan disebut seprena bau acay, tapi da kumaha deui, emang bener naon saur manehna, abdi bade nyeseuh simbut teu janten wae lantaran keur usum hujan, sieun simbutna teu garing, komo peutingna sok tiris. Eta simbut teh geus bau pisan kabehna, rek dibalikkeun oge angger we bau. Kapaksa manehna nganggo jaket kanggo simbut supados teu tiris. Isukna abdi langsung nyeseuh eta simbut jeung seprena lantaran era. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1095", "text": "Pas kajadian bencana alam, penting jang urang nyokot tindakan pencegahan jeung nyiapkeun diri sarta kulawarga. Tapi mindeng urang mohokeun hal ieu jeung ngaremehkeun potensi bahaya nu bisa wae kajadian. Ku sabab kitu penting jang urang nyiapkeun diri meh bisa nyalametkeun nyawa. Salian eta, persiapan bencana alam oge bisa mantuan urang mertahankeun jadi pribadi nu mandiri. Urang teu kudu bergantung ka batur, dina situasi darurat unggal detik berharga pisan, jeung nyiapkeun bencana alam bisa mantuan urang ngahemat waktu jeung energi. Jadi kudu inget yen nyiapkeun diri jang bencana alam lain ngan saukur ngalindungi diri sorangan jeung kulawarga, tapi oge ngeunaan mantuan batur jeung tanggung waler salaku warga negara nu sae. Ulah nungguan nepi terlambat, lakukeun ti ayeuna oge jeung jadi bagian tina solusi jang nyanghareupan bencana alam.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2154", "text": "Sateuacan maot, naon nu sok di dibicarakeun ku anjeunna, lobana masalah hubungan sareng jalma-jalma di sakurilingna janten topik anu paling dibahas 62 persén, dituturkeun ku urusan karir 56 persén, kulawarga 43 persén, sareng pendidikan 39 persén. Tapi 6 persén jalma anu tinggaleun nyarios yén aranjeunna diajar pelajaran ti almarhum sareng 21 persén nyarios yén aranjeunna dipénta diajar tina kasalahan dina kahirupan. Juru bicara Panguburan Pilihan Sampurna, organisasi anu ngalaksanakeun survey, nyarios, \"Seueur jalma anu ninggalkeun pesen leutik pikeun kulawargana sateuacan maot. Aranjeunna ngalakukeun ieu kusabab aranjeunna hoyong jalma anu aranjeunna tinggalkeun hirup bagja.\" tah eta nu hayang diterapkeun yen nu bade ninggalkeun pastina hayang kulawarga nu ditinnggalkeun bisa bagja, kayaning tabah jeung tegar.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1429", "text": "Basa SMA pas rek pelajaran olahraga, urang ganti baju make baju olahraga tuluy saragam bodasna ku urang ditilepan. Jol aya babaturan nu nyampeurkeun, ninggali dina bagian kelek urang koneng oge baseuh. Terus manehna ujug-ujug moyok, \"Ih geuleuh eta meuni koneng\". Urang ngajawab bari ngaleos \"Bae ah meuni riweuh maneh mah\". Jeung nu leuwih era na teh pas rek diuk di meja, babaturan teh keur pada ngumpul. Ti kajadian eta urang leuwih nyadar kana kelek ku sabab era. Jadi unggal poe teu pernah deui katinggaleun make deodoran, tapi teuing kunaon si baju teh tetep weh koneng tuluy bauna teh jadi nyampur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5973", "text": "Biasana budak sakola teh sok aya wae nu ngalakukeun pembullyan. Tah hal ieu teh mantak ngarugikeun pisan ka korban bullying na sabab bisa ngarusak mentalna. Malahan mah pembullyan na ge dilakukeun ku lan sahiji jelema, nu mantak nyeuri pisan jeung trauma berat ka korbanna. Biasana nu dibully basa di sakola teh sok ngarasa leuwih insecure dina pergaulan sosialna sabab ngarasa dirina teu penting jeung teu berguna. Tah hal ieu teh kudu diminimalisir sadini mungkin sabab mun diantep teh bakal fatal dampakna. Barudak sakola kudu diedukasi ngeunaan bullying jeung kudu diajarkeun wani speak up laun ngalaman bullying. Mantak, yuk sebarkeun informasi saluas-luasna supaya teu aya deui korban bullying di ranah sakola!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3263", "text": "rang umumna ngarasa disgusted jeung reuwas lamun urang nempo piaraan ngalakonan hal aneh, nyaéta dahar tai sorangan. Ngaluncurkeun Treehugger, sakitar 16 persén anjing rutin ngadahar tai sorangan atanapi tai anjing sanés, sareng 23 persén parantos katingal tuang tai sahenteuna sakali. Fenomena anjing ngadahar tai sorangan dumasar kana dua téori. Téori kahiji nyebutkeun yén coprophagia atawa konsumsi tai nyaéta kabiasaan anu patali jeung kaayaan pangwangunan jeung lingkungan. Lajeng téori kadua nyebutkeun yén cukang lantaranana nyaéta kabiasaan évolusionér nu diwariskeun ti karuhun anjing urang, ajag, anu ngadahar kotoran sorangan pikeun nyegah parasit peujit asup ka sayang na.Paripolah anjing ieu tiasa lumangsung kusabab sababaraha faktor sapertos umur, breed, sareng kaayaan hirup. Sacara umum, ieu alesan anjing ngahakan kotoran sorangan", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "399", "text": "Ngarasa sorangan ulah nepika tutuluyan, biasana ngarasa sorangan teh sifatna samentara. Aya sababaraha hal nu bisa dilakukeun ngameh teu ngarasa sorangan. Ngalakukeun hobi ngameh bisa ngalihkeun pikiran ti kaayaan nu nyieun ngarasa sorangan. Leuwih alus deui lamun ngalakukeun hobi teh bareng-bareng jeung batur nu boga hobi nu sarua. Miara hewan, miara hewan bisa jadi ngarasa boga babaturan deukeut. Ngabantuan jelema nu ngabutuhkeun, sabab hal nu kieu bisa jadi ngarasa dibutuhkeun jeung boga babaturan babagi. Bisa datang ka panti asuhan, panti jompo, jeung nu sejenna. Kudu ngajauhan ti media sosial, ngarah bisa mere kasempetan jang nata hirup deui. Indit ka tempat nu dipikaresep, mun bisa pilih tempat anu can pernah di datangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2628", "text": "Sababaraha taun ka tukang kuring kawin jeung pamajikan urang Banten. Petugas dukcapil di dinya terang-terangan menta duit keur ngaluskeun dokumen transfer KTP jeung KK nu keur digarap sanggeus kuring nikah. Ceuk kuring lamun bener aya fee anu kudu dibayar, teras kuring ménta bukti pembayaran anu bisa dipaké salaku bukti. Ieu kudu dicatet yén kuring geus teu diangkat sora kuring jeung nada mah malah saeutik pleading, hal anu kahiji kalina dina hubungan urang nu pamajikan kuring geus ngan katempo kuring begging. Ujug-ujug patugas awéwé nyentak kuring kalayan alesan yén kuring milarian masalah. Patugas awéwé nyewot sekuat-kuatna naroskeun upami kuring badé ngalaporkeun anjeunna ka patugas salajengna. Tadina mah teu boga niat kitu, ngan teu hayang méakkeun duit, sabenerna teu perlu méakkeun dua kali dina tempat anu sarua. Jeritna patugas awéwé narik perhatian sadayana, kalebet perwira senior sareng atasanna anu bahkan di lantai sanés. Di payuneun patugas senior sareng atasanna, anjeunna ngalungkeun sadaya dokumén anu aya dina méjana ka kuring ngagorowok ka kuring nyarios yén kuring ngan ukur hoyong anjeunna ditangkep.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "300", "text": "Urang mimiti boga gawe teh di bidang Wedding Organizer. Gawe na ti mimiti WO eta diadegkeun. Aya kana sataunan urang gawe didinya, ti mimiti jadi crew lapangan nepi naek jabatan ka Sekretaris anu nyieunan Invoice, Proposal, jeung Rundown acara. Waktu ka waktu beuki nambahan crew WO, nepikeun ka bisa nyewa hiji kontrakan anu lumayan gede, dipake jang kantor WO sakaligus galeri baju kawinan. Jadi lamun aya meeting teh sok didinya tara di imah deui. Tapi saenggeus sataun, mulai muncul konflik ti internal. Konflik ieu geus lila tapi sabab diantep jadina ngabeledug nyakaliguskeun. Nepikeun ka akhirna mah urang kabeh sapuk yen nutup Wedding Organizer ieu. Padahal usaha WO keur alus-alusna harita teh da geus beres pandemi.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5615", "text": "Ayeuna abdi bade nyobian sambel bakar nu nuju viral di Bandung. Pas dugi ka outlet na teh meuni ngantri pisan dugi ka jalan. Pas abdi tos satengah jam nuju ngantri, jol we teteh-teteh nyorobot payuneun abdi. Ku abdi diwartosan we titah ngantri da nu sejen na oge sarua geus lila. Karek we si teteh na teh ngaleos ka tukangeun abdi bari beungeutna jiga nu sebeleun. Euh meuni hoyong pisan nyarekan si teteh. Untung anjeunna daekeun ngantri sasuai aturan, mun henteu mah ditembal deui we ku abdi. Untungna teu lila abdi langsung kenging kertas jang mesen menuna. Tinggal nulis pesenan tuluy neangan tempat diuk we.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7543", "text": "Salah sahiji syarat kanggo daptar kuliah nyaeta pamariksaan kasehatan. Tapi aya oge hiji data nu kedah dilengkepan nyaeta golongan darah. Abdi ti leutik teu apal golongan darahna naon, salila ieu mah ngan nebak-nebak hungkul jeung ngasal ngeusi golongan darag. Tapi lantaran kedah pasti, abdi menta ka dokterna kanggo diparios golongan darah supados teu salah lamun bade donor darah. Diparios golongan darah teh nyatana kedah ditojos make jarum lengeunna kanggo ngaluarkeun getih supados tiasa dicek. Abdi sieun kana jarum anu kitu lantaran kawas dijepretkeun kana lengeun. Abdi sababaraha kali ngabetot lengeun pas bade ditojos ku jarum lantaran sieun, padahal pas tos ditojos teu pati nyeri, ngan reuwas hungkul. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6982", "text": "Aya seeur kajadian salila abdi cicing di kontrakan ieu, mulai ti kamari aya jalmi anu diusir ti kontrakan nepikeun ayeuna aya deui tatanggi abdi di kontrakan anu didatangan ku pulisi. Ceunah mah lantaran manehna gaduh narkoba jeung ngical narokoba. Indungna teu nyangka lamun budakna salila ieu digawe janten tukang ical narkoba. Budak eta langsung diseuseulan di hareupeun imah. Adina ceurik lantaran lenceukna dibawa ka kantor pulisi sabari leungeunna diborgol, adina teu apal lanceukna digawe naon tapi manehna ngan apal yen lanceukna teh bageur ka kulawargina. Indung jeung adina ceurik pas manehna dibawa ka kantor pulisi. Abdi nu ningal ti jauh oge sedih ningal kulwargi eta. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1109", "text": "Pas indit jeung kabogoh ka hiji tempat, aya nu ngingintil duaan lalaki. Awalna mah kabogoh urang nu sadar tiheula, urang teu sadar. Tapi pas lila kalilaan bener geuningan ditutur-tutur ku batur. Jadi harita urang ngaharewos ka kabogoh yen hayang apal, sabenerna saha nu keur ditutur-tutur teh, naha urang atawa kabogoh urang. Jadi pas di karamean, urang papisah jeung kabogoh tapi jangjian di hiji tempat jang titik point na. Cing saha nu dituturkeun naha urang atawa kabogoh urang. Pas papisah teh geuningan lalaki nu duaan teh nuturkeun urang, urang sieun aya naon bet ditutur-tutur ku jelema duaan ieu, jadi leumpang urang digancangkeun nepikeun ka panggih jeung kabogoh urang di hiji tempat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2470", "text": "Sajaba ti kaulinan prank , aya sababaraha aplikasi nu tos Anjeun undeurbjeung ender ku bakal bisa ngabantuan ngusilan jalma. Utamana jeung aplikasi nu tangtu, Anjeun make eta keur senang prank ka jalma séjén. Salah sahiji aplikasi anu pikaresepeun sareng rada ngabantosan anjeun ngabodor babaturan anjeun nyaéta aplikasi tina rupa-rupa sora, anjeun pasti sering ningali gurauan sareng sora kentut anu sering dilakukeun ku YouTuber. Salah sahiji aplikasi anu sering dianggo nyaéta aplikasi sora kentut prank anu tiasa diunduh gratis di Playstore atanapi Apple store. Dina aplikasi sora kentut prank anjeun bakal mendakan rupa-rupa jinis sora kentut. Ku ngagunakeun aplikasi ieu, anjeun tiasa ngadamel pranks pikeun babaturan anjeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6853", "text": "Udin. Ngaran ucing kampung anu tos tilu tahun leungit teuing ka mana, poe ieu jol ngajugrug di hareupeun panto. Adi abdi anu ti leuleutik resep ulin jeung si udin atoh pisan lantaran teu nyangka si udin anu sugan teh geus maot ojo-ojol aya deui. Si udin teu hilap ka arurang anu nyalametkeun manehna pas kajebak di solokan, dimandian, diparaban unggal poe. Pun adi langsung ceurik lantaran teu nyangka di udin anu geus gede balik deui ka imah. Si udin langsung dimandian, diparaban, jeung dipapatahan meh teu kabur deui. Si udin oge langsung dikalungan meh aya ciri na lamun indit ka mamana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9184", "text": "Deukeut imah kuring aya tempat miceun runtah. Tah kuring teh paling jijik mun dititah miceun sampah didinya teh, da mun miceun sampah didinya teh teu resep kana bauna. Komo mun kudu asup saeutik kana tempat sampahna mah teu resep pisan eta seungitna, terus sok becek oge gara-gara cairan runtah nu matak jijik hayang utah. Teras mun bari teu kahaja nincak runtah atawa kokotor di tempat miceun runtahna teh, asa hayang langsung mandi beresih da. Jadi kuring mun dititah miceun runtah kadinya mah ngan di hareupeun panto gerbangna hungkul, jeung miceun kantong sampahna teh kudu ati-ati, sabab kuring teu hayang bau jeung cai tina sampah teh beunang kana baju kuring.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "340", "text": "Saenggeus wisuda bulan Februari taun 2019, di taun nu sarua urang oge geus nyiapkeun jang daftar LPDP sabab hayang nuluykeun ka jenjang S2. Seleksina aya tilu tahap, nu kahiji administasi, nu kadua tes akademik, nu katilu wawancara. Samemeh urang ngisian administasi teh, urang geus miluan heula toefl jang salah sahiji syarat administrasi. Toefl lulus jeung nilaina cukup lajeng urang daftar LPDP. Urang oge daftarna jeung babaturan ngaranna Dewi. Ngan Dewi mah teu lulus di tahap kadua nyaeta tes akademik. Sedengkeun urang lulus jeung lajeng ka tahap nu terakhir nyaeta wawancara. Pas poean wawancara urang ngarasa teu maksimal ngajawab tiap patarosan ti pihak LPDP. Nepikeun ka pengumuman lulus, urang dinyatakeun teu lulus sabab nilai wawancarana anu kurang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6082", "text": "Mun ka tempat asing atawa ka tempat anyar teh urang kudu babari ngabaur, ulah neundeun rasa sieun. Sabab ceuk paribasa mah di mana bumi dipijak, di dinya langit dijunjung. Jadi intina mah kudu nyasuiaikeun jeung kaayaan lingkungan sosial masyarakatna, ulah nyaruakeun jeung kondisi sosial di lingkungan sorangan. Kudu bisa adaptasi jeung tempat anyar, ulah nepi ka masang rasa kasieun. Tong sieun ka lingkungan anyar, kudu na mah atoh sabab aya tempat anyar jang ngembangkeun diri. Sabisa mungkin kembangkeun kamampuan adaptasi kalayan alus supaya bisa kabula kabale jeung babari dina urusan kahirupan sapopoe. Ulah nepi ka antisosial komo ngajauh ti interaksi sosial mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8505", "text": "Aya sababaraha hal anu bisa ngabalukarkeun jalma ngarasa era nalika asup ka WC di tempat umum. Seueur jalma ngarasa era nalika asup ka WC di tempat umum kusabab sieun aya anu terang. Aranjeunna hariwang yen sora atanapi bau ti jamban bakal janten masalah sareng ngantepkeun aranjeunna terang. Aya sababaraha urang anu ngarasa era nalika asup ka WC lantaran ngarasa auratna teuing kakeunaan jeung teu dijagi. Seueur jalma anu ngarasa era asup ka jamban kusabab hariwang kana kabersihan jamban. Aranjeunna hariwang ngeunaan infeksi atanapi panyakit anu tiasa lumangsung kusabab kurangna kabersihan. Aya sababaraha urang anu ngarasa era asup ka WC kusabab tingkat privasi anu handap. Aranjeunna hariwang yen jalma sanes bakal ningali atanapi ngadangu aranjeunna dina jamban.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2976", "text": "Waktu harita kuring keur leutik keneh, ngahadiran atikan jeung palatihan bapa jeung bapana baturan urang di Palangka Raya, kuring boga babaturan jeung manehna oge milu atikan jeung diklat bapana. Kulantaran bosen di asrama tempat bapa ngalatih, kuring ngajak babaturan ulin ka warnet, urang diantar ka warnet jeung maen game online. Saparantos sababaraha jam lampu ngadadak pareum,sanggeus ningali ka luar ternyata aya badai,sanggeus eta,urang rada ngadagoan di warnet.Sanggeus badai rengse,urang mutuskeun balik ka imah. suku.kahariwang,teu kungsi lila aya anjing jeung babaturan di imah nu gerbangna teu ditutup,urang ngaliwat ka imah babaturan kuring sinyal lumpat sagancangna sabab aya anjing, anjing nateh ngudag=ngudag nepi ka asrama.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6333", "text": "Salah sahiji hal nu paling ngerakeun teh nyaeta pernah sobek calana di sakola. Jadi, biasana baju barudak saola mah sok pas body da ngahaja supaya katingali alus jeung katingali rapih. Biasana calana na ge sok nepi ka merecet pisan jeung pungsat deuih. Mantak teu saeutik kajadian calana sobek teh. Komo pas butuh lengkah nu badag jeung jangkauan jauh mah, calana merecet teh nyiksa pisan. Rata-rata sobek na calana teh sabab lengkah atawa gerak sampean nu kaleuwihan tina batas jaitan calana. Mun geus sobek mah pan era na ge saumur hirup. Mantak inget wae nepi ka kolot ge da era pisan komo mun disaksian ku babaturan sakola mah.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6899", "text": "Ti ngora keneh abdi teu pernah kabayang bakal nikah sareng jalmi anu sanes urang Indonesia. Padahal abdi teu pernah boga cita-cita nikah sareng urang luar negeri. Tapi anu namina jodoh mah teu aya nu apal. Jogo, pati, bagja, cilaka sadayana tos diatur ku nu Maha Kawasa, urang mah tinggal ngajalankeun sadayana sasuai jeung parentah-Na. Abdi tos tilu taun kenal sareng calon caroge abdi anu asalna ti Korea Selatan. Sataun leuwih urang dekeut, ayeuna urang bade ngalangsungkeun nikahan. Urang bakal ngalakukeun nikahan dua kali. Anu kahiji di Indonesia nganggo adat Sunda, lantaran abdi urang Sunda. Anu kadua di tempat manehna, di Korea.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7345", "text": "Ieu bakal janteun ka hiji jeung ka terakhirna abdi datang ka resto ieu lantaran palayananna kirang sae. Abdi tos mesen dahareun tiheula tapi kalahkah batur anu karek datang anu dipiheulaan. Abdi mesen ci enteh dua hungkul oge lami pisan dianterkeunna, pas tos diingetan karek dianterkeun ku palayan. Pas mesen dahareun oge rasana kirang ngeunah lantaran gorenganna oge tos rada hapeuk jeung heuras, siga gorengan kamari anu digoreng deui. Pas abdi datang kamar cai oge tempatna tara diberesihan. Anu pang sebelna mah basa aya dahareun anu bahe lantaran si palayan sorangan teu bener mawa dahareuna, manehna kalahkah indit sabari bobodoan teu apal, jadi sajajalaneun jadi kotor. Abdi langsung ngageroan eta palayan anu ngabahekeun dahareun. Abdi nitah manehna tanggungjawab ngaberesan eta dahareun anu ucrat acret kamamana. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4334", "text": "Papanggih babaturan anu geus lila pasti senang pisan, bisa ngabagi carita sareng nginget-nginget kenangan jaman baheula. Di sagigireun senang, tapi papanggih jeung babaturan lila oge bisa mere mangfaat nyaeta anu kahiji ngalangkungan waktu jeung rerencangan lila bisa ngabantuan jeung nginget bari ngingetan kenangan anu sae, lain ngan ukur ngeunaan hal-hal anu bahagia, tapi urang oe bisa ngingetan perjalanan silaturahim sareng beungkeutan anu kuat anu saenggeus aya dina waktu susah. Ieu bakal ngajantenkeun rapet jeung ngajadikeun leuwih haneut jeung akrab, salian tieta nyaeta nyaeta bisa nyambung jeung jaman baheula silaturahim ti waktos beda dina kahirupan bisa mantuan kami nyambungkeun deui jeung bagian tina diri urang sorangan. Babaturan anu lila biasa ngingetkeun urang ngeunaan diri urang anu lila sareng ngabantosan ngahubungkeun jeung bagian tina diri urang anu geus dipohokeun salila mangtaun-taun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6886", "text": "Taun ieu abdi dipasihan kesampetan kanggo ningal langsung idola kuring. Abdi tos ngadangukeun lagu-laguna ti jama SD keneh, nepikeun ayeuna masih keneh hapal. Alhamdulillah kampus abdi tiasa ngundang idola kuring, anu leuwih sae na deui, abdi dipiwarang janten panitia anu maturan bintang tamu. Abdi bener-bener teu nyangka bakalan kontekan jeung Teh Ocha teras tiasa ngobrol langsung. Anjeunna gaduh sora anu adem pisan, bener-bener diva. Anjeunna oge ramah ka sadayana, sok seuri jeung teu seeur pamenta.Teh Ocha bener-bener profesional di luhur panggung. Pas aya masalah teknis Teh Ocha tiasa ngendalikeun paonton supados teu kesel lantaran kedah ngantosan di tengah-tengah lagu lantaran aya anu kedah dibenerkeun heula.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8957", "text": "Cara anu salajengna pikeun ngajagaan jalma anu sieun kalelep nyaéta ngiringan aranjeunna nalika aya dina jero cai. Salawasna ngajak jalma anu trauma ku leleb kana kolam renang cai, meureun jeung misan atawa babaturan anu umurna sarua. Nu penting mah jalma nu trauma kalelep bisa nempo kumaha bagja babaturanana di jero cai. Tahap satuluyna bisa dimimitian ku jalma anu trauma ku tilelep, ngalelepkeun suku, jeung maen ciprat-ciprat cai. Meureun anjeun bisa mimitian ku mawa manéhna bari leumpang di kolam renang. Kahiji, manehna pasti bakal sieun tapi pastikeun yén jalma trauma kalelep teh aman dina aisan urang. Kuncina kudu sabar dina nyaluyukeun jeung émosi jalma nu trauma kalelep, tong maksakeun, mun jalma nu geus trauma tilelep geus mimiti sieun, eureun heula maenna. Salajengna nyaéta pembiasaan, supados trauma ngaleungit sareng henteu muncul deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4426", "text": "Aya cara ngungkulan amarah anu muncul tanpa sabab kudu disaluyukeun jeung cukang lantaranana. Salaku conto, upami depresi mangrupikeun panyababna, anjeun mereun butuh bantosan psikolog atawa psikiater. Aya sababaraha tindakan saderhana anu anjeun bisa di lakukeun pikeun ngahindarkeun ambek. Ieu sababaraha di antarana.Nganyatakeun emosi tanpa nyalahkeun batur, sapertos ku cara nyerat, nyanyi, atanapi ngajerit di rohangan terbuka, tarik napas jero basa rek ambek, Hindarkeun pikiran negatip nu bisa memicu amarah, Latihan rutin pikeun ngaleungitkeun setres, tuluy kudu mikir sateuacan nyarios atanapi ngalakukeun, latihan teknik relaxasi, sapertos meditasi atanapi yoga.Upami anjeun sesah ngontrol amarah, cobaan kengingkeun konseling kasehatan mental ti psikolog atanapi psikiater. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3404", "text": "Kumaha rasana teu boga harta jeung loba hutang? loba nu nyebut bahwa eta goreng , alhasi emang bener ternyata goreng pangalamana traumatis. Sanaos kuring sanés anu ngahutang, kuring ningali kumaha jalma-jalma di sabudeureun kuring nanggung hutang sareng hirupna hina. Hasilna, kuring sieun naha kuring bakal tiasa ngadukung diri di hareup. Kuring boga sieun hiji poé kuring bisa boga hutang. Sacara ilmiah kamiskinan di budak leutik bisa ngabalukarkeun trauma, éra, katiisan jeung sagala rupa masalah kapribadian. Ieu mah sakadar tina pangalaman kuring tapi studi ilmiah (Hudson, 2016). Lamun teu diungkulan, trauma kamiskinan di budak leutik bisa ngakibatkeun sikep urang ka turunan urang di mangsa nu bakal datang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6905", "text": "Poe ieu, balik gawe abdi bade langsung angkat ka rumah sakit, abdi bade nengok orok anu nembe lahir. Abdi teu nyangka pisan di yuswa abdi anu tos dua puluhan abdi bakal gaduh adi anyar deui. Rasana aneh, tos lila pisan di bumi teu aya orok, ayeuna bakal aya deui wangi orok, baju orok, jeung sora orok. Abdi atoh pisan lantaran abdi oge tiasa diajar kumaha carana ngurus orok. Asalna mah abdi sieun mangku orok, tapi beuki lila abdi diajar cara ngurus orok nu bener. Abdi oge sasakali gentosan sareng mamah mandian jeung ngabajuan orok. Lamun keur ceurik, abdi langsung mangku adi abdi supados teu ceurik.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2539", "text": "Anjeun ngahuleng jeung ngumpulkeun kawani. Anjeun geus mutuskeun pikeun meta dina jalma ieu. Teras anjeun ngetok taktak jalma éta sareng nyarios santun-gancang, nyobian nyumputkeun rasa ambek-ambekan di jero.\r\n\"Hapunten, abdi kaditu kadieu,\" saur anjeun, jempé ngadoakeun yén jalma éta bakal langsung balik deui ka tempatna sareng henteu mayar anjeun deui sareng ngadamel adegan. Anjeun tiasa ngarasakeun panon jalma di sabudeureun anjeun dina anjeun jeung jalma éta.\r\nUntungna, éta jalma melong bari balik ka tempatna!\r\nPerasaan anjeun campur aduk antara lega pisan tapi tetep jengkel sareng bingung. Naha anjeun kantos ngalaman hiji hal anu sigana sepele tapi ngaganggu dugi sapertos carita di luhur? Sabenerna, naon anu dipikiran ku jalma-jalma kalayan gagabah kitu nepi ka antrian kitu?Naha teu isin?", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6296", "text": "Bagi sabagean jalma mah, mangku orok teh jadi hal nu nyieun was-was. Kumaha henteu, soalna orok loba nu ngelay keneh, jeung deuih teu bisa dikontrol ku sorangan, mantak elayna teh sok nepi ka nu mangkuna. Tah hal eta nu nyieun loba jalma hoream mangku orok batur teh. Loba nu ngarasa jiji mun dikenaan elay orok teh. Padahal, orok mah masih keneh seungit, teu jiga jalma dewasa. Jadi sabenerna mah teu kudu geuleuh atawa jiji kana elay orok teh. Anggursih mah kudu atoh sabab orok na teh berarti sehat jeung teu aya panyakit dalam. Jeung deuih kan ngaberesihkeun na ge gampang, bisa leungit ku cai. Jadi teu kudu riwan deui mun rek mangku orok teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5301", "text": "Cara supaya urang teu ngarasa kaleungitan sabab ditinggalkeun balik ku babaturan kost. Nu kahiji nyaeta sibukeun diri ku ativitas kampus, bisa ku miluan organisasi, miluan kepanitiaan, atawa bisa oge nyibukkeun diri ku olahraga jeung ngerjakeun tugas kuliah. Nu kadua nyaeta indit ka tempat rame, bisa ka kafe atawa tempat nu sejuk supaya urang teu ngarasa sepi sorangan. Nu katilu nyaeta laukeun ativitas seperti biasa tapi bari nyetel musik di kamarna. Di kostan sabisa mungkin jieun suasana kamar saame jeung sanyaman mungkin supaya urang teu leungiteun teuing ku babaturan nu biasana rame. Bisa salah sahijina ngajak babaturan sejen jang ngendong atawa ulin di kostan urang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1347", "text": "Geus apal naon nu kudu diinum saenggeus utah emang penting, tapi asupan kadaharan nu alus saenggeus utah oge diperlukeun jang malikeun gizi nu leungit. Saenggeus urang teu utah-utahan jeung geus cukup nginum cai, urang bisa ngadahar kadaharan anu lembut-lembut, siga cau, kulub kentang, biskuit, sangu tim, jeung sajabana. Lantaran asupan ieu aya tarigu nu babari dipeupeus jadi energi. Engkena konsumsi jenis kadaharan ieu bisa mantuan ngurangan rasa leuleus saeunggeus utah. Tapi tetep ulah ngadahar inuman nu aya susu, lantaran bisa memicu mual jeung utah deui. Sababaraha kadaharan nu ulah didahar nyaeta kadaharan lada, gorengan, kadaharan tinggi serat, kadaharan bumbu rempah, jeung sajabana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9010", "text": "Cara kaopat pikeun nungkulan katiisan sabab anjeun nyalira nyaéta ku nelepon babaturan. Nalika anjeun ngarasa nyalira, naha henteu nyobian ngahubungi babaturan anjeun? Panginten, anjeun sieun ngaganggu waktos babaturan atanapi janten jalma anu gumantung? Numutkeun para ahli, anggapan ieu sabenerna salah. Sabalikna, sobat anjeun bakal ngahargaan nalika anjeunna ngarasa anjeun peryogi anjeunna sareng ogé bakal ngaleupaskeun dopamin tina dukungan anjeun. Kalima, coba ngobrol jeung urang asing. Henteu gampang ngamimitian paguneman sareng jalma anyar, tapi metode ieu tiasa ngabantosan ngaleungitkeun rasa sieun kusabab nyalira. Sareng cara anu terakhir, nyaéta konsultasi sareng ahlina. Upami kasieun anu anjeun alami leres pisan mangaruhan kaséhatan méntal anjeun, alternatif anu pangsaéna nyaéta nganjang ka profésional, sapertos psikolog, psikiater sareng terapis. Aranjeunna bakal mendakan solusi sareng panangan anu pangsaéna pikeun urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5245", "text": "Keur alit keneh mah abdi seeng pisan naek kana tatangkalan. Biasana sok ngalaan bungbuahan dina tukangeun bumi tatangga atawa di kebon. Hiji poe, abdi teh ninali aya buah mangga nu tos asak, warna na meuni koneng meles mantak kabita. Ngan, eta buah teh luhur pisan. Ah, cobian we da biasana ge bisa ceuk abdi teh. Tuluy abdi naek kana eta tangkal. Pas di luhur, buahna teh aya di dahan sisi nu hese dijangkau. Sabab teu aya gantar, abdi nekad ngadeukeutan eta buah jang dipetik langsung. Pas nincak kana dahan leutik, brus we dahan na teh potong tuluy awak abdi murag ka handap. Pas di handap teh abdi langsung ceurik da nyeuri pisan sikuna. Tuluy abdi uih we ka imah. Di imah langsung di urut ku pun bapak da sabab ieu siku teh misalah. Tidinya abdi alim deui-deui tataekan kana tatangkalan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6287", "text": "Salah sahiji sarangga nu sok aya di sawah teh nyaeta kungkang. Kungkang teh sok aya di sawah jeung ngeuntreup dina tangkal pare. Kungkang jadi musuh besar para patani sabab jadi hama jang pare, oge jadi hama jang lingkungan. Pasalna, kungkang teh ngabogaan bau nu luar biasa hangitna kana irung. Mun keur usum panen mah kungkang ge sok ngeuntreup ka imah warga nu aya di sakitaran sawah. Tah ieu teh mantak bau pisan kanu dieuntreupan nana teh. Malahan mah nepi ka nyesakeun noda dina benda nu dieuntreupan nana. Mantak, mun aya kungkang teh sok buru-buru kudu diusir supaya teu nyimpen bau.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "299", "text": "Pasualan mibogaan anak ayeuna mah jadi pertimbangan loba pasangan suami-istri. Nepikeun ka saacan kawin sok aya kasapukan kanggo teu mibogaan anak. Tapi ceuk urang mah aya alesan penting kudu boga anak, nyaeta kolot oge butuh kehadiran anak. Boga anak bagian ti ngawangun kulawarga jeung numbuhkeun generasi saterusna. Kahadiran anak ngingetan kolot ngeunaan saha maranehna, ku sabab saha anak eta aya, jeung anak-anak nu bakal neruskeun cita-cita maranehna. Salian ti eta, dunya oge ngabutuhkeun anak-anak, sabab lamun aya bayi, pas urang balik ka imah gawe loba masalah gawean, urang bakal bagja mun ninggali anak seuri. Kagumbiraan anak bisa jadi obat penenang lamun urang keur loba masalah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5242", "text": "Salah sahiji kagagalan nu mantak sedih pisan dina kahirupan abdi mah nyaeta gagal dina proses seleksi perwira karir TNI AD. Abdi tos ngurus sagala berkas sareng ngiring sagala rangkaian seleksina dugi ka tahap ahir. Ngan pas pengumuman kelulusan, abdi dinyatakeun teu lolos. Abdi sempet sedih pisan sabab ngarasa tos berjuang samaksimal mungkin, tapi angger hasilna acan sasuai jeung harapan. Tapi teu nanaon, abdi mulai memperbaiki sagalana. Pesan penting samemeh daftar perwira karir TNI AD nyaeta kedah nyiapkeun mentl jeung fisik samaksimal mungkin. Fisikna oge kedah diatur jeung dipelihara sabaik mungkin. Yuk persiapkeun diri tina fisik, oge tina mental jeung kasiapan. Supaya urang bisa meunang hasil nu maksimal sasuai jeung harapan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1021", "text": "Aya nu ngaranna fobia spesifik, nyaeta fobia anu sieun kanu benda, sato, situasi, jeung aktivitas. Salah sahijina nyaeta akrofobia anu sieun mun keur aya di tempat anu luhur. Rasa kasieun nu dialaman ieu bisa ditimbulkeun ku sababaraha gejala, siga hariwang, stres, atawa panik pas keur aya di tempat anu luhur. Jadi biasana bakal ngahindar tina kagiatan anu aya pakuat-kaitna di tempat anu luhur, siga nangtung dina balkon, ngaliwatan jembatan, ninggali kaluar jendela ti gedung anu luhur. Ku ngabayangkeunna oge misalna aya di tempat anu luhur, penderita fobia ieu bisa ngarasa sieun, hariwang, komo bisa oge ngalaman serangan panik. Sabenerna penderita ieu apal nu dirasakeunna teh teu wajar, tapi maranehna tetep teu bisa mareumkeun rasa kasieun eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2134", "text": "Kontak panon jeung aranjeunna, petting sirah maranéhanana ogé cara pikeun ngaronjatkeun hormon oksitosin maranéhanana. Hormon ieu ngajadikeun barudak ngarasa aman, ku kituna urang ngarasa leuwih nyambung ka barudak. Orok umur 7 minggu atawa leuwih malah méakkeun 90% waktuna ningali kana panon, lamun orok dina leungeun indungna, contona pikeun nyusu, panon indung jeung orok mindeng papanggih. Ulah nyandak kontak panon for granted. Lantaran acara ieu dipercaya jadi faktor penting jeung pondasi dina nguatkeun beungkeutan émosional indung jeung orok. Kontak panon antara indung jeung orok dipercaya mawa kaluar sensasi husus sambungan, sambungan, sarta parasaan jero pikeun indungna. Sami lumaku pikeun murangkalih orok.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2511", "text": "Kumaha ngajaga kakandungan séhat nalika masih dina trimester kahiji? Ngajaga kakandungan anu séhat dina trimester kahiji mangrupikeun léngkah anu leres pikeun mastikeun kaayaan orok dina kandungan tiasa mekar sacara séhat sareng optimal. Aya seueur cara anu tiasa dilakukeun ku ibu nalika kakandungan anu séhat dina trimester munggaran. Ngajaga kaséhatan kakandungan penting pikeun nyingkahan gangguan anu bisa lumangsung ka indung jeung orok dina kandungan.\r\n1. Ngaronjatkeun Konsumsi Cai\r\nNgonsumsi cai anu seueur nalika kakandungan mangrupikeun salah sahiji kawajiban anu kedah dilakukeun ku ibu pikeun ngajaga kaséhatan orok dina kandungan. Sacara umum, ibu hamil kedah ngonsumsi 8-10 gelas cai dina sadinten. Ieu alatan awak merlukeun leuwih cairan pikeun mantuan tumuwuh sarta ngembangkeun orok dina kandungan.\r\nKonsumsi cai anu cukup tiasa nyegah indung tina sagala rupa gangguan tina cairan ketuban. Tangtu, teuing saeutik atawa loba teuing cairan amniotic boga dampak negatif kana fétus.\r\n2. Konsumsi Kadaharan Sehat\r\nNalika kakandungan, tangtosna, indung bakal peryogi langkung gizi sareng gizi pikeun kamekaran orok dina kandungan. Ngalaporkeun tina website Orang Tua, aya sababaraha zat gizi anu penting pisan pikeun dikonsumsi ibu hamil pikeun ngarojong tumuwuhna tumuwuhna orok dina kandungan, kayaning folat, kalsium, serat, jeung zat besi.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2098", "text": "Baheula ker basa Sakola Menengah Atas abdi aya carita narima panghargaan jang ujian nasioanl kiyeu caritana. Nalika guru mimiti ngumumkeun skor pangluhurna, kuring henteu nyangka nanaon sareng langkung bodo sabab kuring sadar yén kuring moal aya dina daptar budak berprestasi tinggi hehe. Abdi oge langkung resep bobodoran sareng rerencangan supados teu fokus kana ngadenge saha anu meunang skor pangluhurna, enya aya kalana masihan surak ka babaturan anu saenyana mah pantes eta prestasi teh. ujian nasional, tapi kuring ngan pikir éta bohong sarta ngan lulucon ti sobat. Tapi ahirna tétéla yén ngaran kuring memang disebut-sebut minangka murid anu meunang skor pangluhurna UN Bahasa.Indo di sakola kuring.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2042", "text": "Kuring diajar ekstra teuas. Ngadoa leuwih getol. Jeung leuwih bakti ka kolot. Kuring ngandelkeun nu penting nyanyi kudu yakin. Tapi teu ngan percaya tanpa aksi. Kuring yakin yén ku ikhtiar, Allah pasti bakal masihan anu pangsaéna. Kuring yakin yén dina kasusah aya gampang. Kuring yakin yén sagalana di dunya ieu milik Allah nyalira, gampang pisan pikeun anjeunna ngan ninggalkeun kuring indit. Kuring yakin yén unggal seleksi teu ditilik ku panitia, tapi Allah. Janten ieu jadwal diajar kuring:\n03:00 - 05:00 = Matematika Dasar\n05:00 - 07:00 = TPA\n07:00 - 08:00 = Istirahat\n08:00 - 10:00 = Géografi\n10:00 - 11:00 = Istirahat\n11:00 - 13:00 = Sajarah\n13:00 - 14:00 = Istirahat\n14:00 - 16:00 = Sosiologi\n16:00 - 18:00 = Inggris\n18:00 - 19:00 = Istirahat\n19:00 - 21:00 = Ékonomi\n21:00 - 22:00 = Indonésia\nJanten ku cara ngabagi waktu jam kos di luhur insyaalllah tiasa ngajieun urang lolos di universitas nu kuurang dipika hoyong.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8447", "text": "Jalma bisa geuleuh ku imah nu pinuh ku serangga pikeun sababaraha alesan. Sababaraha urang mungkin gaduh phobia husus serangga, kayaning arachnophobia (sieun spiders) atawa entomophobia (sieun serangga). Ieu bisa memicu reaksi geuleuh jeung infeksi dina tetempoan serangga. Serangga tiasa nyebarkeun rupa-rupa panyakit sareng infeksi, ku kituna tetempoan imah anu kaserang serangga tiasa nyababkeun kahariwang sareng jijik kana kaséhatan. Sababaraha urang mungkin geus ngalaman pangalaman goreng jeung serangga nu geus kaliwat, kayaning keur digegel atawa kakeunaan serangga, nu micu reaksi geuleuh jeung ngarareunah di tetempoan serangga. Sababaraha kabudayaan gaduh pandangan negatip ngeunaan serangga, ku kituna ningali bumi anu pinuh ku aranjeunna tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng teu ngarareunah. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9024", "text": "Tina seueurna masalah kandaraan, rem gagal tiasa disebatkeun mangrupikeun hal anu pikasieuneun. Ngancem diri jeung ngaruksak motor salah sahiji alesanana. Malah kusabab ieu kahirupan jalma séjén ogé bisa jadi korban. Sacara umum, anu nyababkeun gagalna marake nyaéta bantalan rem atanapi rem anu panas teuing. Sareng ieu aya sababaraha cara pikeun ngatasi nalika rem blong. Anu kahiji, urang kudu mikir anu jernih sangkan henteu gagabah dina nyokot resiko. Anu kadua anu tiasa dilakukeun, nalika supir aya dina kaayaan kieu nyaéta nyarioskeun ka jalma upami rem motor urang blong, supados henteu kajadian anu teu dihoyongkeun, dina masihan peringatan nalika rem blong, pengendara tiasa nganggo klakson motor. bari ngahurungkeun sinyal belok. Katilu usaha pikeun nyingkahan kendaraan ti balaréa. Upami diperlukeun, panggihan tempat sepi tur lega pikeun tujuan nalika anjeun ngalaman rem blong marake jeung geura ménta pitulung ti jalma sabudeureun anjeun anu bisa mantuan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8512", "text": "Ieu teh aya sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era nalika disengseurikeun ku babaturan sakelas. Kahiji, ngajaga kapercayaan diri, inget yen unggal jalma boga kaunggulan jeung kalemahan maranehanana. Ngajaga kapercayaan tur difokuskeun positip dina diri. Tong hariwang ngeunaan naon anu dipikirkeun ku batur: Pokus kana diri anjeun sareng tong hariwang teuing kana naon anu dipikirkeun ku batur. Sakapeung, jalma sejen henteu ngahaja seuri, tapi ngan ukur pikeun senang. Kadua, Tong merhatikeun teuing, tong merhatikeun naon anu diomongkeun atawa dilampahkeun ku batur. Katilu, Fokus kana diri anjeun sareng naon anu anjeun hoyong laksanakeun. Kaopat, komunikasi anu sae upami anjeun teu resep kana kalakuan babaturan anjeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7528", "text": "Lamun ngadangu operasi, urang pasti langsung kabayang dokter jeung perawat anu nganggo pakean hararejo nganggo panutup hulu. Kecap operasi janten hal anu pikasieuneun kanggo sababaraha jalmi. Matak teu heran seeur jalmi anu teu hoyong dioperasi, padahal operasi teu pati sieun, gumantung kana bagian anu dioperasina. Hal ieu biasana disebabkeun lantaran urang teu acan apal kumaha kondisi rumah sakit. Biasana urang mah ngan ngabayangkeun operasi anu sapertos dina pelem, anu aya peso, aya lampu jeung dokter anu ngabongkar awak jalmi. Padahal sabenerna anu ngarana operasi teh aya dua mecem. Aya operasi leutik jeung operasi badag atawa disebut bedah minor jeung bedah mayor. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1059", "text": "Biasana mah samemeh ngojay sok pemanasan heula, tapi harita mah geus teu kuat hayang ancrub kana cai lantaran panas ku panonpoe jadi hayang geura-geura guyang. Awalna mah biasa wae sabari nyoo cai jeung babaturan. Tapi teu lila teh suku urang keram, teu bisa digerakeun, mun digerakeun oge karasana nyeri pisan. Jadina urang tikelelep tuluy kukucibekan menta tulung ka batur. Batur nu karek ngeuh kakara nyampeurkeun bari narik urang ka permukaan. Untung weh aya batur nu keur ngojay, mun henteu mah urang bisa wae tikelelep teu bisa napas. Ti saprak eta mun ngojay teh embung sorangan, kudu aya batur sieunna kajadian deui tikelelep di jero cai.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5643", "text": "Mun alim pasangan salingkuh, urang kudu ngajaga pasangan sorangan. Ulah nepi ka kanyaahna luntur atawa perhatianna robah, jaga ti kaanggalan meungpeung masih keneh babarengan dina ngajalin perasaan jeung hubungan kahirupan. Ulah nepi ka mere celah saeutik pun jang orang katilu asup andil dina hubungan urang. Kudu saling jaga perasaan, saling percaya, jeung saling nyumponan kabutuh. Komo saling percaya mah kudu pisan aya sabagai konci sabuah hubungan. Ngan, ulah nepi ka rasa percaya eta teh kacodet saeutik pun sabab bakal hese deui meunangkeun nana. Ku kituna, yuk urang budayakeun percaya ka pasangan urang sorangan, ulah loba teuing curiga nu teu perlu!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3241", "text": "Sensasi seueul anu teu pikaresepeun tiasa lumangsung kusabab seueur alesan. Untungna, aya ubar bumi alami anu tiasa ngabantosan seueul, nyaéta:\nJahé\nCoba nginum jahé anu diseduh atanapi dikulub, teras inuman cai. Anjeun ogé tiasa nambihan madu pikeun rasa sareng nutrisi tambahan. Salah sahiji cara jahé nenangkeun saluran pencernaan nyaéta ku ngaleupaskeun tekanan tina gas sareng nyepetkeun nyerna.Senyawa aktif anu aya dina jahe ieu, sapertos gingerol, tiasa mangaruhan sistem pencernaan sareng sistem saraf pusat, sahingga tiasa ngaleungitkeun seueul.\nRobah pola emameun.\nUpami anjeun ngalaman seueul saatos tuang atanapi sesah ngonsumsi tuangeun nalika seueul, aya sababaraha parobahan diet anu tiasa ngabantosan, nyaéta: Konsumsi tuangeun anu sakedik.\nNyingkahan manisan.\nInuman cukup cai, tapi ulah nginum bari dahar.\nUlah ngagolér sanggeus dahar.\nDahar lalaunan.\nKonsumsi emameun nu hambar.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1350", "text": "Basa harita keur aya penelitian ka pelosok, urang jadi salah sahiji tim pencari data jeung nu ngawawancara warga unggal imah. Di hiji imah, aya nini-nini nu usiana geus kolot pisan, anjeunna di imah dibaturan ku anakna nu geus dewasa. Pas urang keur ngawawancara, teu kuat hayang ngompol, jadina menta ijin jang ka cai. Di cai teh paroek teu katinggali nanaon, untungna urang mawa HP jadi bisa make lampu senter nu aya dina HP. Pas dihurungkeun teh, loba tumpukan kotoran nu teu diberesihkeun. Urang teu kuat nepikeun langsung kaluar deui, teu jadj ngompolna. Di sapapanjang jalan, beuteung urang mual ngabayangkeun naon nu geus tadi urang tinggali. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7616", "text": "Bayangkeun lamun urang keur numpak motor teras remna blong. Hal ieu kajadian ka kuring jeung rerencangan basa nuju bade jalan-jalan. Asalna mah urang duaan teu nyadar yen rem motor ieu rada ruksak, tapi pas kuring hoyong ereun sakedeung ka sisi jalan, rerencangan abdi karek nyadar yen rem teh teu tiasa dipencet, abdi langsung sieun pisan, bisi nyieun kacilakaan atawa bisi nyilakakeun batur di jalan, untungna jalan anu urang anggo teh keur sepi pisan janten urang pupuiran sabari nurunkeun gas nepikeun ereun motorna. Salila abdi nungguan eta motor ereun, abdi oge langsung nelepon rerencangan abdi anu sanesna kanggo ngageroan tukang bengkel. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4077", "text": "Pasangan anu rek nikah bisana ngalaman cemas mun rek papaisah jeung kolot, rasa cemas eta ges wajar di alaman ku sabagean jalma. Kadang sok aya anu nepika ceurik lila kusabab mikir bakalan jauh ti kolot, bakalan hirup sorangan jeung bakal ngarobah kahirupan samemehna. Misalna baheula mah aya nu ngahudangkeun sare, aya nu ngaulaan pikeun dahar jeung aya anu ngurusanan mun keur geuring. Tapi mun geus nikah mah kudu urang anu ngurusanan sagalana komo mun geus boga budak, loba tanggung jawab anu di pikirkeun jang kahirupan kahareup. Mun bisa pas geus pisah jeung kolot teh kudu terbuka ka pamajikan atanapi ka salaki meh rada bisa ngartikeun salah sahijina. Teras tong ngarasa era atanapi teu geunah mun rek menta tulung ka kolot, soalna kolot mah moal ngarasa karipuhan da kusabab naon nu henteu jeung budak sorangan. Mantak urang salaku nu jadi budak ulah nepika poho ka kolot, sanajan geus papisah imah jauh. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4307", "text": "Reuwas teu sangka jeung sedih pisan bari ceurik, ngan eta anu bisa kaciri tina babaturan urang ayena. Maneh na asa can bisa tarima yen rama na teh di vonis kena kanker stadium lanjut ku dokter kamari. Babaturan urang bener bener teu sangka kusabab rama na kaciri sehat sehat wae, tara pernah gering anu parah biasana ngan gering biasa hungkul. Maneh na ngan bisa ceurik jeung sieun yen kondisi rama na, sieun lamun nepika rama na ninggalkeun manehna jeung kulawargana. Babaturan teh carita yen rama na emang teu ngabogaan pola hirup sehat. Rama na geus sepuh oge masih wae ngarokok jeung minum minuman. Tah mereun tina kabiasaan eta cikal bakal panyakitna teh. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6819", "text": "Katarima di perguan tinggi negeri teh sanes teu kahaja. Tapi tiasa diraih lantaran usaha jeung ngadua ka Allah SWT. Basa nyiapkeun kanggo ujian SBMPTN anu ka dua kali na abdi bener-bener diajar, fokus, jeung teu pati mikiran hasil. Anu penting mah abdi nambal di mana anu abdi can paham materi na, utama na di soal ngetang. Abdi mineng pisan miluan tryout minimal saminggon sakali. Alhamdulillah abdi oge meunang kasempetan bimbel gratis ti mahasiswa Unpad jeung UPI lantaran abdi meunang urutan lima uranganu paling badag nilai na. Abdi bulak balik ka UPI jeung Unpad kanggo bimbel jeung ditambih oge bimbel di bumi nyalira.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2850", "text": "Ieu péso dapur geus dipikawanoh turun-tumurun ku pangeusi bumi, di leungeun ahli tina péso dapur rupa-rupa kreasi kuliner pisan nikmat bisa dijieun. Utamana lamun péso dipaké ku pamajikan tercinta, sanajan masakan anu dihasilkeun rasa rada asin teuing, bakal tetep rasa nikmat sabab dirasakeun ku cinta jero sapertos.Di sisi anu sanés, péso dapur ogé tiasa dianggo pikeun mesek buah anu kedah disyukuri ayana. Sebutna mangga, papaya, apel, jsb. Sedengkeun pikeun buah, kuring ogé tiasa nganggo péso dapur, anu mangrupikeun senjata seukeut anu mujarab pikeun mesek kulit. Upami anjeun teu acan kantos nganggo péso dapur, atanapi panginten anjeun henteu terang, langkung saé angkat ka dapur. Kusabab kuring yakin dulur boga ieu. Salian ti mujarab, péso dapur ieu ogé éfisién pikeun nyiksikan, nyiksikan, motong jeung mesek rupa-rupa hal anu engkéna bakal didahar, boh sorangan boh sacara kelompok. Janten péso dapur ieu mangrupikeun andalan koki, koki, juru masak anu efektif pisan sareng efisien anu parantos dianggo salami rébuan taun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "293", "text": "Neng Alwi teh nyaeta anakna lanceuk urang, ieu alo anu kadua. Umurna karek 6 taun jadi masih keneh sakola TK. Neng Alwi boga awak anu leutik, warna kulitna bodas, jeung rambutna rada galing. Neng Alwi boga kapribadian anu sok maceuh, lantaran lamun di imah teh sok lulumpatan saolah-olah tanagana teh teu beak. Manehna resep jeung mikanyaah oge kana binatang. Binatang nu Neng Alwi pikaresep teh nyaeta ucing. Neng Alwi boga rasa simpati jeung empati nu luhur, kabuktian pas aya ucing nu katabrak dihareupeun imah, manehna ceurik ngagoak. Neng Alwi oge jelemana daekan, lamun dititah pangmawakeun naon wae ge daek jeung henteu pamrih.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "302", "text": "Lantaran aya masalah internal jadi nu nyebabkeun bubarna Wedding Organizer. Tapi samemeh bubar, urang jeung tim kabeh mindeng ngayakeun meeting ngeunaan naha bisa jadi kieu, ngameh aya evaluasi kahareupna lamun nyieun deui jasa nu sarupa nyaeta Wedding Organizer. Tiap kumpul pasti suasana na teh bingung, kuciwa, jeung sedih, gara-gara hiji jelema nepikeun ka kieu dampakna. Lamun keur meeting sok inget kumaha arurang kabeh ngabangun Wedding Organizer ieu nepikeun ka lumayan kasohor khususna di daerah Cimahi. Nepikeun ka hujan-hujanan atawa panas-panasan ge tetep di lakonan demi klien. Pernah oge pas mimiti mah keuna tipu ku vendor dekorasi, atuh arurang nalangan heula duitna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5975", "text": "Abdi pernah ngalaman teror nu mantak sieun pisan. Mimitina teh aya telfon di nomor nu teu dikenal. Pas diangkat teh ternyata ngakukeun dulur abdi nu jauh. Anjeunna nyarios gaduh sagala data abdi jeung bakal disebarkeun lamun teu nurut kana parentahna. Ku abdi geus sababaraha kali diabaikeun, angger we neror dina telfon jeung whatsapp. Tos di blokir ge aya keneh ngahubungi make nomor nu sejen. Modusna teh rupa-rupa, saolah-olah geus kenal lila jeung abdi, padahal mah teu wawuh-wawuh acan. Geus risih pisan sabab diteror meski geus ganti nomor, abdi ngalaporkeun nomor teror eta ka kantor polisi supaya ditindaklanjuti jeung abdi kenging perlindungan sacara hukum.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8159", "text": "Kepala Staf Presiden (KSP) Moeldoko ngungkabkeun pangalamanana nyanghareupan wartawan. \"Kuring teu sieun dicekel ku bedil, sumawona dicekel ku bedil, utamana saprak eta pakasaban abdi. Tapi pokona wartawan ieu mah sok gancang, seukeut, tatuna leuwih nyeri batan nu lian, sok mun urang ngomong sabenerna mah tulisanna salah, utamana mah mun salah mah pasti butut,” pokna. Ti dinya Moeldoko loba diajar. Nurutkeun manehna, teu gampang jadi pajabat pamarentahan anu sapopoe kontak jeung média. \"Pangalaman kuring di dinya, kuring kedah ngaku yen kuring diajar pisan ti babaturan wartawan sabab kuring leres-leres ngarasa yen tina kahirupan militer dugi ka kahirupan sektor pamarentahan anu sipil sareng di luar sareng di jero aya politik, janten eta henteu gampang. abdi,\" cenah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4036", "text": "Urang katarima di salah sahiji kampus di jakarta, urang ngarasa bangga pisan ka diri urang. Soalna usaha urang teu sia-sia, urang geus miluan tes geus bulak balik ti kampung ka jakarta, geus ngapalkeun buku-buku paket. Kabeh usaha nu ku urang lakuken di lakonan sorangan, teu di baturan ku sasaha. Pas katarima urang bungah pisan, asa teu nyangka orang kampung bisa kuliah ka kota, jauh ti kolot. Tapi pas di kota urang manggihan hal-hal anu beda, saperti karakter jelemana anu masing-masing, jiga hare-hare jeung tara nyapa ka sebutna mah kurang ramah. Tapi urang bungah pisan mun unggal balik kampus teh nempo hotel anu jangkung harurung, terus nempo apartment jeung rumah susun. Mun urang mah icing di asrama khusus awewe. Terus kampusna teh gede, fakultasna aya loba jadi teu bosen mun unggal poe kuliah unggal poe ge. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5622", "text": "Mun rek meuli tiket kareta teh urang sok kudu ngantre heula sabab nu butuheun na oge loba. Tah sabisa mungkin mun ngantre teh kudu tartib, taat kana aturan, ulah nepi ka nyorobot antrean batur. Sakumaha butuh jeung mendesak na oge kudu sabar ngantre, da batur ge sarua boga kapentingan sejen. Ulah nepi ka nyorobot hayang tiheula. Mun hayang tiheula mah datang na ge kudu leuwih tiheula tibatan batur. Tah, komo mun nepi ka nyorobot mah mantak kajengkeleun batur. Yuk ah urang diajar tartib dina ngantre supaya teratur ngantrena jeung rapi katingalina! Tong hilap mun ngantre jaga barang bawaan sorangan, bisi leungit.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8236", "text": "Jalma nu ngalaman gangguan fobia spesifik sapertos autofobia biasana sadar upami kasieun nu manehna rasakeun teh teu normal. Nanging mineng pisan manehna teu tiasa ngendalikeun reaksi sawaktos dihadepkeun ka situasi atanapi kayaan nu ngamicu kasieunna. Autofobia mangaruhan unggal jalmi ku cara nu benten. Meren aya nu ngarasa teu aman upami nyalira eweh jalma, nikakeun muncul rasa ariwang, hanjelu, tur sieun. Ciri-ciri jalma nu ngabogaan autofobia atanapi sieun upami nyalira teh aya babaraha rupi. Kesang tiis, lieur nika nyeuri sirah, kesangan nu leuleuwihan, palpitasi jantung, seueul, engap angen, gangguan dina pencernaan, kabeh eta teh babaraha ciri nu tiasa muncul upami jalma autofobia keur nyalira.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2942", "text": "Jalma anu sieun jarum bisa boga pangaruh detrimental dina awak. Alesanana, jalma-jalma ieu tiasa nyingkahan pamariksaan di dokter umum atanapi dokter gigi, supados henteu mendakan jarum suntik. Joni Pagenkemper boga sababaraha cara anu bisa nulungan anjeun ulah sieun disuntik, nyaéta:\nUpami mungkin, pastikeun suhu kamar suntikan haneut, henteu tiis. hawa tiis bakal nyadiakeun sensasi leuwih nyaman\nSaméméh disuntik, biasana tempat anu rék disuntik bakal dibersihkeun maké alkohol\nSalawasna nganggo jarum suntik anyar\nGancangkeun jarum kana awak supados nyeri teu karasa teuing.\nSababaraha urang anu diwajibkeun nyuntik diri di bumi kadang ngalakukeun kasalahan. Salah sahiji kasalahan anu dilakukeun nyaéta ku cara nyiwit kulit anu badé disuntik. Kacuali anjeun beuratna handap rata-rata atanapi ipis pisan, anjeun henteu kedah ngalakukeun ieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5213", "text": "Samemeh lahiran, ibu hamil dianjurkeun jang ngalakukeun kagiatan nu alus jang proses lahiranna jaga, nyaeta salah sahijina leuleumpangan. Menjelang lahiran, ibu hamil teh kudu ngalobakeun leuleumpangan supaya utun na sehat jeung loba kagerakkeun. Leuleumpangan na biasana isuk atawa sore supaya teu panas oge, jeung jarakna tong jauh teuing. Supaya kagerakkeun we eta si utun na teh. Tah, salian leuleumpangan, ibu hail oge kudu bisa ngajaga pantrangan, misalna tinu tuangeun. Tong nepi ka jabrah, sagala rupa di tuang, sabab aya sababaraha tuangeun nu teu sae bahkan ulah dituang menjelang hari lahiran mah. Eta teh kudu dilakukeun demi kasehatan si utun jeung kalancaran lahiran nana. Yuk ah ka ibu hail, urang leukeunan kabiasaan ieu supaya lancar lahiranna!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2053", "text": "Kuring sakali diajar ti jam 9 énjing dugi ka 3 énjing salami sababaraha dinten. Sareng kuring nyusun strategi. Kuring nyaho yén pangabisa abdi, ngenaan survei ti bimbel mah salah sahiji faktor nu alus jang test nyaeta kudu lewih mantep dina nu urang bisa. Kasusna abdi dina Matematika, lajeng saeutik dina Fisika pikeun sababaraha bahan nu Nyaan master ogé. Kimia sareng Biologi abdi henteu saé. Ku kituna kuring ngudag saloba mungkin pikeun meunangkeun skor math pangluhurna mungkin, Fisika luhur 3 bener, sarta ngan meunang 1 titik dina Kimia jeung Biologi. Jaman kuring, tés SBMPTN masih dibagi jadi 3, nyaéta TPA, Kaparigelan Dasar (Matématika Dasar, Basa Indonésia jeung Basa Inggris) jeung Sains. Jeung udagan kuring ngahontal mayoritas. Kuring ngan ukur gagal ngajawab 1 patarosan dina Matematika Dasar, ogé sababaraha patarosan dina Matematika Sains, sareng udagan Fisika, Kimia, sareng Biologi kuring aya dina udagan. Abdi rada optimis yén kuring tiasa lulus.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2140", "text": "Abdi mangrupikeun salah sahiji karyawan anu parantos PHK kusabab dampak pandémik. Abdi mangrupikeun salah sahiji anu untung sabab kuring nembe PHK taun 2021 sedengkeun seueur réréncangan kuring parantos PHK ti April 2020. Ti sudut pandang kuring salaku karyawan. Kaputusan PHK mangrupikeun kaputusan anu manusiawi sareng bijaksana pikeun karyawan. Naha kuring nyarios kitu? Abdi mangrupikeun salah sahiji jalma anu seueur artos dina dunya pariwisata, anu parantos janten primadona Bali. Saatos pandémik, kaayaan janten 90 derajat. Pausahaan abdi salah sahiji anu saé pisan, sabab hoyong mayar hak-hak karyawan anu di PHK henteu paduli masalah kauangan anu aranjeunna alami, sahenteuna tina uang pesangon urang masih gaduh artos jaga pikeun mayar kabutuhan hirup urang. dina mangsa pandémik, sababaraha diantarana antukna dijadikeun modal usaha.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4455", "text": "Urang lamun geus di gawe dina sahiji tempat boh di pabrik atawa di kantor urang teh ngabogaan hak hak anu kudu dihargaan lamun geus ngajalankeun kawajiban na anu bener. Salah sahiji na nyaeta orang boga hak atawa jaminan moal bakal di usik atawa di ganggu ku batur dina hal gawean, kusabab urang oge meunangkeun pagawean oge make usaha jeung henteu babari. Urang oge sabage pagawe teh resmi, aya surat surat na kaasup surat kontrak gawe anu eusina iraha urang mulai gawe jeung nepi ka iraha eta teh teu meunang di ganggu sangeunahna. Jadi lamun ujug ujug urang anu jeur di gawe tuluy posisi pagawean urang di cokot ku batur padahal urang henteu salah wajar yen urang ambek teu tarima tuluy boga hak ngalaporkeun ieu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7242", "text": "Di usum Covid kieu lamun ngarasakeun gejala panyawat pilek pasti dihubungkeun jeung covid. Padahal bisa wae eta teh ngan pilek biasa. Tapi tos dua harian ieu abdi ngarasa lieur jeung nyareri tonggong. Suku oge pararegel padahal teu kamamana. Ditambih tos lima harian pilek, pas ngecek suhu, epekteh suhuna 37 darajat. Lumayan tinggi. Babaturan langsung ngabejaan sina tes swab, supados tiasa dipastikeun panyawatna. Abdi langsung daptar ka hiji klinik, isukna datang ka ditu. Hasil cek na bakal kaluar ngke peuting, abdi tos pasrah naon wae hasilna. Pas hasilna kaluar epekteh bener we abdi positif covid-19. Abdi rada geumpeur tapi langsung isolasi dina kamar.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5173", "text": "Diklatsarmil (Pendidikan dan Pelatihan Dasar Kemiliteran) mangrupakeun salah sahiji syarat asup ka instansi militer atawa semi militer. Contona mun hoyong asup Resimen Mahasiswa, kudu ngajalani Diklatsarmil nepi ka lulus heula. Tah Basa abdi ngalaman eta pendidikan teh rame na kacida. Salian urang diajarkeun elmu kamiliteran, urang oge diajarkeun elmu penunjangna, jiga kapamimpinan, survival, teknik search and rescue, jeung sajabana. Tah dina ngajalanan neang elmu na teh resep pisan. Sis kabersamaan jeung babaturan teh bener-bener kauji kakompakan nana. Babaturan teh geus deukeut pisan asa jeung dulur. Pokokna mah eta pangalaman teh teu bisa dipohokeun. Tah, baraya mun hoyong ngabdi ka nagara, yuk ah daftar ka instansi atawa organisasi kamiliteran supaya bisa ngandi bari ngarasakeun resepna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5147", "text": "Poe ieu abdi bungah pisan sabab bade nyandak hadiah dorprise ka Toserba. Abdi ngiringan undian minggu kamari, undian na dilaksanakeun online. Alhamdulillah abdi kenging hadiah. Ayeuna teh si eta hadiah kedah di candak. Aduh abdi meuni bungah kaliwat saking kenging hadiah sapedah gunung. Leungeun teh ngageter wae sapanjang jalan, awak asa tariis, pikiran atoh barijeung bingung bisi penipuan. Pikiran geus teu konsentrasi, teu fokus kana nanaon. Bakat ku bungah, nepi ka poho teu sarapan heula, dangdan we tuluy langsung indit nyokot hadiah. Aduh gusti hatur nuhun ieu hadiah katampi pisan. Teu bisa eureun ngucap rasa syukur alhamdulillah kanu Maha Kawasa.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2965", "text": "Ayeuna kuring cicing di wewengkon Sleman anu mangrupa wewengkon anu aya di suku Gunung Merapi. Kuring cicing di wewengkon ieu ti umur 3 taun, bisa disebutkeun geus ngalaman sababaraha lini, kayaning 27 Méi lini tektonik anu lumangsung di Yogyakarta, nepi ka runtuyan lini vulkanik disababkeun ku aktivitas Gunung Merapi.\r\n\r\nNalika aya gempa 27 Mei 2006 di Yogyakarta, abdi masih SD. Abdi émut pisan yén gempa lumangsung sakitar jam 6 énjing nalika kuring ningali kartun. Bapa kuring harita keur siap-siap rék nyokot rapor SD. Sabada gempa, saréréa panik. Kuring langsung kaluar ti imah sagancangna. Alhamdulilah sadaya anggota kulawarga kuring salamet, kitu ogé imah kami anu ngan ukur retakan leutik. Ieu pangalaman kuring nyanghareupan gempa pikeun kahiji kalina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2620", "text": "Coba ulah hariwang teuing ngeunaan naon anu aranjeunna lakukeun. Langkung saé, alihan pikiran anjeun pikeun fokus kana diri anjeun, sanés? Rengse naon tanggung jawab anjeun sateuacan anjeun aub sareng jalma sanés. komodeui upami gawean di sorobot ku batur.\r\n\r\nAnjeun ogé tiasa nyobian téknik rélaxasi, sapertos meditasi atanapi yoga, pikeun nyegah setrés padamelan sareng ngabina rasa tenang sareng damai dina diri anjeun.\r\n\r\nUpami Anjeun gaduh batur sapagawean toksik, ulah ngarasa inferior atawa malah langsung mundur. Dimana wae anjeun damel, kamungkinan meunang batur sapagawean toksik pasti aya. Hal anu paling penting nyaéta anjeun tiasa nungkulan éta kalayan saé supados anjeun tiasa nyingkahan setrés padamelan sareng épék goréng anu sanés.\r\n\r\nNanging, upami anjeun parantos usaha tapi henteu hasil sareng éta leres-leres nyababkeun anjeun setrés, panginten mundur mangrupikeun solusi anu pangsaéna. Nanging anjeun kedah aya dina tempat anu tiasa ngahargaan sareng bogoh kadiri sorangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9013", "text": "Aya sababaraha gejala anu muncul nalika ngalaman sieun pedah ku nyalira. Kahiji, maranéhna ngahaja nyingkahan situasi nalika nyalira. Aranjeunna sieun naon anu bakal kajadian nalika aranjeunna nyalira. Aranjeunna bakal hariwang pisan pikeun nyalira sareng nganggap yén aranjeunna bakal cilaka parah atanapi maot. Mibanda gejala kawas pingsan, henteu mampuh konsentrasi dina nanaon, gagal pikeun mikir jelas. Éta ogé sering ngalaman gejala émosional sapertos setrés, pikiran nyalira, sareng sieun terisolasi. Parobahan fisiologis lumangsung kaasup ngaronjat denyut jantung, tekanan getih, sarta kesangan. Aya gejala fisik anu lumangsung, sapertos tiis sareng panas, seueul, pusing, tremor, sesak napas, sungut garing, seueul, pusing, sareng nyeri sirah. Kasieun anu kaleuleuwihan ogé bakal ngabalukarkeun parobahan dina kabiasaan dahar jeung sare.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2166", "text": "Jaman kuring alit, kolot kuring sering ngagero kuring kusabab kasalahan anu teu penting. Meureun intina mah lain nyeuri tapi nasehat. Anu ngajadikeun naséhat ieu kaleuleuwihan nyaéta yén éta rada kasar dina pangiriman. Hal ieu ngajadikeun kuring sieun lamun kuring ngalakukeun nanaon, sieun di scolded lamun tétéla kuring ngalakukeun salah. Nalika kuring dewasa, kolot kuring henteu deui nyéépkeun kuring pikeun kasalahan anu teu penting sapertos baheula. Ayeuna langkung diarahkeun pikeun ngabenerkeun kasalahan anu parantos dilakukeun. Sanaos kolot kuring beuki hadé, sateuacan kuring terang, aya anu salah sareng kuring. Nalika kuring dewasa kuring sadar yén kuring budak anu sieun ngalakukeun hiji hal. Naon waé éta. Sanaos tindakan éta mangrupikeun hal anu leres. Kuring sering janten overthiking kusabab kasalahan leutik anu kuring lakukeun. Mun kieu mah pasti stres.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5175", "text": "Isuk-isuk Mika geus dangdan meuni rapih jeung sareungit. Dangdananna meuni pangling pisan beda jeung biasana. Singhoreng mah poe ayeuna teh pangumuman finalis mojang jajaka kabupaten Ciamis. Sadaya finalis mojang jajaka dikempelkeun tuluy di asah skill public speakingna jang nangtukeun saha nu jadi juara dina ajang ieu. Mika nyaeta salah sahiji finalis acara iei, mantak ti suhud keneh ge geus persiapan sadayana sing alus. Pas nuju penilaian, alhamdulillah public speaking Mika lancar tanpa aya hambatan atawa sanggahan ti juri. Pas pengumuman, ternyata Mika kapilih jadi mojang kabupaten Ciamis 2021. Alhamdulillah pisan hasilna memuaskan. Mika ngarasa atoh kacida bisa ngabanggakein orang tua na. Mugia tiasa amanah kana gelar ieu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4339", "text": "Allah lamun rek mere rezeki ka hamba na emang bisa tina cara naon wae. Siga tatangga urang, maneh na akhir akhir ieu sok ngeluh yen ges teu kuat deui nguliahkeun anak na. Maneh na boga warung sembako tapi ayeuna ges hese payu kusabab loba mimi market. Tapi tadi isuk ujug ujug tatangga urang meunang rezeki anu teu di sangka sangka pisan. Manehna meunang undian duit anu lumayan nominal na tina produk kopi. Padahal ceunah manehna ngan saukur iseng ngajaran ngirimkeun cangkang kopi. Tapi teu di sangka cangkang kopi eta anu mawa rezeki, maneh na ceurik jeung reuwas teu sangka yen maneh na meunang rezeki gede. Duit eta teh rencana na rek di pake keur mayar kuliah anak na. Ieu teh hiji bukti lamun niat urang alus, rezeki bisa datang ti mana wae.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7809", "text": "Abdi nembe abdas di kamar cai masjid anu aya di kampus, teras pas abdi bade ngenteung, abdi ngambeu aya bau anu nyereud pisan, bauna teh sigana mah ti gigireun kamar cai lantaran di dinya sok aya ucing jeung aya tatangkalan. Pas abdi nyamperkeun sumber bauna, epekteh bener we eta teh tai ucing. Bari si ucingna oge aya disabeulahna. Abdi teu kiat pisan ngambeuna, komo eta tai teu dikubur dina taneuh tapi diantepkeun we di luhureun pasir. Abdi langsung meresihan suku kuring lantaran bisi beunang tilas tai ucing di dinya. Jalmi anu sanes oge langsung narutupan hirung bakating ku bau eta tai ucing. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7536", "text": "Alat-alat anu aya di lab teh kaasup alat anu teu mirah, matak siswa anu nuju make lab di sakola kedah ati-ati. Pas abdi sareng rerencangan nuju praktek di lab, aya hiji rerencangan abdi nu teu kahaja mepeuskeun gelas ukur lantaran maranehna hareurey, padahal ti awal geus dibejaan ku nu sanes yen ulah maceuh di lab. Awalna mah maranehna teu ngaku mepeuskeun eta gelas, maranehna oge sempet nyumputkeun eta gelas. Tapi aya hiji rerencangan anu ningal gelas eta di wadah runtah. Bapa guru langsung naros ka sadayana, nitah saha wae anu mepeuskeun eta gelas kanggo ngaku wae, pas tos diancem bakal ditingal dina CCTV, akhirna rerencangan abdi ngaku. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2049", "text": "Abdi mahasiswa anu nembe lulus ti SMA di Sumedang, Jawa Barat, alhamdulillah tiasa katampi di paguron luhur negeri di Bandung taun ieu (2022). Perjuangan kuring nuturkeun SBMPTN bisa disebutkeun teu dramatis jeung tegang teuing. Bayangkeun kuring ngan ukur diajar sakitar 45 dinten. Kuring ngalokasikeun kira-kira 3-4 jam sapoé pikeun diajar (kalobaannana ukur maca buku), latihan patarosan, sareng cobaan. Najan kitu, kuring mah jalma nu puguh, dina 45 poé éta meureun ngan kira-kira 30 poé kuring diajar sabab sesana mah dianggap waktu \"istirahat\". Gélo lamun inget waktu éta, bisa ngabayangkeun diajar 3-4 jam sapoé, mindeng teu eureun-eureun lamun keur puasa. Sakapeung kuring oge remen mikir \"naha aing kudu diajar bari puasa kieu? Geus lapar, haus, pusing deui\". Lamun timbul pikiran atawa keluhan ieu, kuring sok mikir yén diajar getol henteu hartosna kuring bakal ditarima di PTN, komo deui ai teu puguh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7533", "text": "Lantaran cai galon tos seep, abdi langsung mesen cai ka tukang galon anu unggal poe tos janten langganan. Saatos ngantosan sapuluh menitan, tukang galon datang mawa galon anu tos dieusian cai. Abdi oge sakalian menta tulung pang masangkeun galon lantaran tempat galonna rada luhur, janten abdi teu tiasa masangna. Tapi di galon sateuacanna masih keneh aya cai sakedik, kedah dipindahkeun heula supados tiasa digentos. Abdi tadina bade nyandak hiji panci badag anu tempatna aya di luhureun lomari, tapi bakating ku luhurna abdi kedah nanggo korsi, abdi teu apal di luhureun panci eta teh aya tutup kacana, pas eta panci dicandak, tutupna langsung murag jeung peupeus. Abdi sareng tukang galon reuwas lantaran sora kaca peupeusna teh tarik pisan, komo si belingna teh pabureuncay kamamana. Abdi langsung ngaberesihan eta beling sabari sieun dina hate lantaran bisi diseuseulan ku mamah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7245", "text": "Prank anu dilakukeun ku Atta ka Raffi teu ereun di dinya, lantaran keheul tos diprank, Rafii oge bade nyiapkeun prank kanggo Atta. Pas Atta nuju masak emih kanggo Raffi jeung Nagita, Raffi jol ngautahkeun emih, jeung mepeuskeun mangkokna. Hal eta nyieun Atta panik jeung sieun. Manehna disalahkeun gara-gara manehna Rafi janten reuwas jeung gering. Kabeh jalmi anu aya di ditu langsung riweuh mawa Raffi ka rumah sakit. Merry, asisten Raffi oge teu ereun nyeseulan si Atta anu ceuk manehna geus nyebabkeun bosna cilaka lantaran prank na. Raffi langsung digotong ka mobil ku sarerea, Atta oge miluan asup ka mobil. Pas mobil tos rek angkat, Raffi jol gugah teras nyebutkeun yen ieu teh prank balesan ti Raffi.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9193", "text": "Urang mindeng ngarasa jijik lamun urang nempo dahareun nu geus busuk. Nyimpen kadaharan anu leres tiasa janten jalan pikeun nyegah kadaharan gancang busuk. Sabalikna, nalika urang nyimpen bahan pangan sembarangan, umur dahareun bakal langkung pondok tibatan anu sakuduna, parobahan rasa sareng gizi, jeung nyeubabkeun karacunan. Sababaraha kadaharan tiasa langkung gancang busuk tibatan jinis kadaharan nu sanés. Salian ti kaayaan kadaharanna sorangan, aya ogé faktor panyabab séjén anu bisa ngajadikeun kadaharan teu tahan lila. Anu kahiji, bisa disababkeun ku baktéri. Lamun kadaharan teu disimpen atawa ditutupan ku bener, baktéri pembusuk bisa tumuwuh gancang sarta ngahasilkeun limbah nu ngajadikeun kadaharan jadi robah penampilan sarta bau. Baktéri pembusuk ieu ogé tiasa asup kana kadaharan tina ramo anu teu dikumbah sareng alat makan anu teu disterilisasi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4381", "text": "Antrian panjang mindeng kapanggih di unit pelayanan publik saperti Kantor Pajak, Bank, KPPN, Samsat, ogé Puskesmas jeung Rumah Sakit. Tapi anu paling penting nyaéta unit palayanan kasehatan sabab bayangkeun nalika anjeun gering sareng kedah ngantri, ngantosan sababaraha jam kanggo dilayanan, padahal jalma anu sehat tiasa setres upami ngalaman eta. Tina jalma-jalma anu ngantri pikeun meunangkeun layanan, tetela aya karugian anu lumayan unggal poe. Lamun nyokot sampel dina palayanan kaséhatan hususna antrian di rumah sakit, nurutkeun data Badan Pusat Statistik (BPS) aya 2.820 rumah sakit dina April 2018. Jumlahna aya 564.000 pasien unggal pena macet dina antrian. Panghasilan rata-rata masarakat Indonesia nyaeta Rp 10.000 per jam, lamun dikira-kira unggal jalma ngadagoan 1 jam, mangka aya karugian Rp 5,64 miliar unggal poe..Teu antaparah deui, aya pangorbanan anu kudu dilakonan pikeun datang ka hiji tempat jeung meunang jasa. Ti mimiti ninggalkeun pagawean, nepi ka ngorbankeun biaya perjalanan pikeun datang ka dinya. Naon deui, lamun layanan dina poe eta geus pinuh, isukna kudu ngatur jadwal jeung kurban waktu balik, otomatis waragad bakal jadi 2x leuwih.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1108", "text": "Rada trauma rek ngagym deui teh sabab baheula pernah ditutur-tutur ku bapak-bapak. Jadi harita pas beres ngegym biasana sok langsung ka tempat bilas ngameh di jalan teu kesangan, jeung pas nepi imah teu kudu beberesih deui. Tapi hiji waktu teuing kunaon bapak-bapak teh teu wanoh oge ditutur-tutur, nepikeun ka tempat parkir ge masih dituturkeun. Malah sempet digeroan ku manehna, tapi ku sabab urang kaburu sieun jadi pas digeroan teh urang api-api teu ngadenge. Nepikeun ka ayeuna trauma, jadina ti saprak eta urang pindah tempat gym ku harepan euweuh nu ngingintil deui urang pas olahraga di tempat gym. Pindah teh soalna sieun dikukumaha.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1423", "text": "Urang pasantren teh ti keur leutik keneh, aya kelas 4 tan. Jadi geus jauh ti kolot, naon-naon teh kudu dilakukeun sorangan, euweuh nu ngingetan. Hiji waktu pas hudang sare, urang heuay, tuluy babaturan urang ngernyitkeun beungeutna tanda bau nu teu ngeunah. Tuluy urang disindir ku manehna, \"Maneh teh heuay atawa hitut? Meuni bau pisan!\". Urang era bari ngajawab, \"Heuay\". Mun papanggih jeung manehanana deui teh sok era, inget kajadian eta. Ti saprak harita mah urang rajin sikat gigi, harita teu rajin teh ku sabab teu diajarkeun ku kolot yen kudu mindeng nyikat gigi. Geus rutin nyikat gigi mah batur mun ngobrol jeung urang ge ngarasa nyaman teu ngajaga jarak deui.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5193", "text": "Najwa Shihab jadi salah sahiji jalma nu ngainspirasi abdi dina segi wawasan jeung pamikiran nana. Paikiran na teh krtis jeung logis pisan. Pantes we bisa kitu ge da anjeunna rajin pisan maca buku. Salian eta, kamampuan public speaking na ge alus pisan, teu sieun kanu sagala pertanyaan nana. Nyalina ge gede, da sabab wawasan na ge teu diraukeun deui. Tah urang ge tiasa nurutan kabiasaan na maca buku, supaya urang bisa boga cara berpikir jiga Najwa Shihab. Pamikiran jiga kitu teh bisa dimiliki setiap jalma ngan syaratna kudu rajin maca jeung rajin ngulik kana hal nu dipikapenasaran nana. Urang oge kudu loba diskusi jeung nu lan supaya bisa leuwih open minded. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6312", "text": "Dahareun anu geus buruk teh goreng pisan jang dikonsumsi sabab sok loba reaksi jeung mikroba atasa sajenisna nu ngajadikeun racun dina dahareun buruk. Tapi, loba jalma pemulung nu teu kabeuli dahar, mulungan dahareun sesa dina tong sampah. Dahareun na teh kadang mah geus buruk atawa kadaluwarsa, tapi da euweuh deui pilihan, daek teu daek kudu ngonsumsi nu kitu. Tah hal ieu teh kudu loba disaradi, sabab ngonsumsi dahareun buruk teh jadi salah sahiji hal nu bakal nimbulkeun panyakit, jeung deuih euweuh gizian nu asup kana awak. Mantakna, coba kurangi dahar dahareun nu pimantakeun teh. Anggursih mah leuwih kerja keras supaya bisa minimal konsumsi dahareun nu layak.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5645", "text": "Di salah sahiji gang belokan nu aya deukeut Hotel Horison, aya kaributan rame pisan tadi sore. Jadi, aya kasalahpahaman antara sopir gocar sareng kabogoh customerna. Jadi, customerna teh keur pasea jeung kabogohna di sisi jalan. Tuluy langsung nyewa gocar. Pas geus asup kana mobil, si kabogohna teu narima jadi ngulahkeun indit. Tah supir gocar teh bingungeun. Pas rek insit, kabogohna nyampeurkeun supir gocar tuluy neunggeul rarayna sabab nitah ulah indit. Supir gocar untung na sabar, nitah customerna mereskeun heula masalahna terus ngacancel sewa gocarna. Geus kitu, customerna langsung turun deui. Supir gocar tuluy indit we embung pipilueun da bisi salah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2861", "text": "1. Tong benci trauma sabab eta mangrupa wujud rasa sayang hirup ka anjeun sangkan anjeun leuwih kuat batan trauma sorangan.\r\n2. Ngurangan mikahayang hiji hal anu teu bisa kahontal, syukuran kana ni’mat anu aya dina bentuk trauma sabab bakal dipandu ku kahirupan pikeun jadi jalma unik di luhur rata-rata jalma.\r\n3. Entong masihan réaksi négatip nalika anjeun ngingetkeun trauma, anjeun kedah ngarobih \"label hate\" janten \"label cinta\" pikeun trauma.\r\n4. Trauma teu bisa leungit lengkep sabab lebur jadi sumber kakuatan anyar jeung mantuan Anjeun pikeun meunangkeun ngaliwatan fragmen kahirupan anyar Anjeun.\r\n\r\nUpami anjeun masih teu tiasa tenang dina cara di luhur, anjeun tiasa konsultasi ka psikolog", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4712", "text": "Pamikiran jalma pikeun anjing pasti mangrupi hal-hal anu di pika sieun, saperti kasieun di udag-udag. Teu jarang biasana jalma pas karek nempo anjing na ge geus ngaboga rasa kasieun, padahal anjingna mah keur icing misalna. Sabenerna pamikiran kasieun kanu anjing teh bisa di ubah pola pikirna, eweh anjing anu galak tanpa sebab. Rata-rata sato komo mun anjing bakalan nyaho naon nu ku urang rasakeun, saperti mun urang keur amprok jeung anjing eta teh anjing bakal nyaho mun di jero hate urang aya rasa kasieun, jadi mun bisa mah amprok jeung anjing teh kudu nyantai ulah tegang jeung ulah nunjukeun kasieun. Mun kitu mah anjing moal ngudag, jeung moal ngagegel. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7297", "text": "Abdi sareng rerencangan ngarencanakeun kanggo nyieun hajatan leutik kanggo adi abdi nu pang leutikna. Manehna salila hirup genep taun teu acan pernah ngarayakeun ulang taun. Balik ti sakola abdi langsung ngajemput manehna ka KFC. Asalna manehna mikirna ngan meser hayam hungkul, tapi abdi langsung mawa manehna ka ruangan anu tos disewa kanggo ulang taun manehna. Manehna atoh pisan lantaran seeur rerencangan anu datang jeung masihan hadiah. Abdi langsung masihan manehna mahkota jeung selempang sabari nyiapkeun kue. Sadayana langsung ngadu'a sasarengan teras emam kue sasarengan. Manehna atoh pisan teu nyangka meunang seeur hadiah ti rerencanganna. Urang oge teu hilap popotoan sasarengan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6834", "text": "Pas jaman rerencangan abdi parada gaduh hape android abdi teu gaduh hape. Aya oge hape Samsung leutik anu dipasihan ku mamah. Abdi era lantaran batur mah hape na teh layar na baradag, sedengkeun abdi mah hape na leutik, janten era lamun mawa hape ka sakola teh. Pernah oge abdi dihereuyan lantaran hape na leutik. Tapi basa tos lulus kuliah abdi alhamdulillah tos boga duit sorangan. Hal pertama anu dipeser ngangge duit abdi sorangan nyaeta hape lantaran butuh. Tapi abdi oge teu gaduh duit seeur, janten abdi mung meser hape android anu mirah wae, nyaeta hape advan. Sakitu ge abdi tos atoh lantaran tiasa kapake pisan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "644", "text": "Basa mimiti naek pesawat urang katinggaleun da teu apal mun pesawat teh tepat waktu pisan. Keur mah di jalanna macet jeung pas nepi pesawat ge urang kudu urus itu ieu samemeh bisa asup ka pesawat teh, jadi ieu nu nyebabkeun katinggaleun jadwal. Emang alusna mah 6 jam atawa minimal 2 jam teh urang geus siap naek pesawat, lain 2 jam deui naek pesawat urang kakara indit ka bandara, ieu salah pisan. Soalna di bandara oge kudu urus-urus itu ieu jeung etateh ngabutuhkeun waktu nu saeutik, komo deui mun bandarana keur pinuh bisa-bisa 2 jam eta kapake jang ngantri hungkul. Jadi ceuk urang mah ulah inditna ngaret teuing ti imah ka bandarana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7808", "text": "Basa Idul Adha. Abdi ngabantosan masjid kanggo ngaberesihan daging anu tos dipeuncit. Abdi ngabantosan rerencangan abdi anu nuju ngaberesihan kadut domba. Karunya pisan manehna ngan ngaberesihan sorangan lantaran anu sanesna teu daraek ngaberesihan kadut domba anu bau pisan. Teu heran lamun seeur rerencangan abdi anu teu daek ngaberesihan kadut lantaran bauna awet pisan, sanajan geus diberesihan make sabun oge angger we bauna mah napel kene, komo lamun beunang kana baju. Pas abdi ngaberesihan kadut, aya seeur pisan tai domba di dinya anu baruleud keneh jeung aya oge anu masih keneh badag pisan, tilas emam domba. Abdi langsung hayang utah pas ngambeu bauna, tuluy nganggo masker jeung sarung lengeun. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2867", "text": "Seueur kaayaan maot dina manusa. Sababaraha kaayaan maot teu merta ngabalukarkeun anjeunna maot sanggeus éta. Aya nu koma sapoe engke hirup deui, aya oge nu koma mangtaun-taun cageur deui hirup deui. Sababaraha anu katabrak sareng tatu parah dugi ka maot, teras pulih. Kaayaan maot sapertos kitu teu tiasa disebat maot throes, sabab maotna masih jauh. Aya 2 momen anu dijauhkeun ku manusa, nyaéta maot sareng kiamat. Ku kituna kuring nyimpulkeun yén maot bakal lumangsung dina unggal maot individu. maot bener bakal kajadian ka unggal individu. Unggal jalma bakal ngalaman kaayaan maot sateuacan maot. Aya anu sakedapan, aya anu lami ngagolér dina ranjang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3022", "text": "Agoraphobia atanapi agoraphobia nyaeta sieun atawa kahariwang kaleuleuwihan ngeunaan tempat atawa kaayaan nu nyieun penderita ngarasa panik, trapped, daya teu upaya, atawa isin. Umumna, agoraphobia timbul nalika penderita ngarambat atanapi aya di tempat umum, khususna rame. Perawatan pikeun agoraphobia tujuanana pikeun ngaleungitkeun kasieun sareng panik, ogé ngajar pasien kumaha ngadalikeun diri nalika mikirkeun atanapi nyanghareupan kaayaan anu dipikahariwang. Ieu di handap aya sababaraha cara pengobatan anu tiasa dilakukeun:\n1. Psikoterapi\nKonseling sareng psikolog sareng psikiater tiasa ngabantosan pasien nungkulan kasieunana. Sababaraha jinis psikoterapi anu tiasa dilakukeun pikeun ngubaran agoraphobia nyaéta:\n2. Cognitive Behavioral Therapy (CBT), sangkan penderita leuwih percaya diri, wani, jeung mikir positip ngeunaan situasi atawa tempat nu dipikahariwang.\nTerapi paparan (desensitization), pikeun ngurangan sieun ngalaman tur nganggap yén hal anu takwa téh normal\nTerapi rélaxasi, pikeun bersantai otot, ogé ngurangan tingkat tegangan ngalaman nalika kaayaan kaayaan sieun.\n3. Narkoba\nNarkoba dianggo pikeun ngubaran keluhan sareng gejala anu timbul nalika pasien ngalaman agoraphobia. Pangobatan anu dianggo kalebet: Serotonin binding inhibitors (SSRIs), serotonin-norépinephrine reuptake inhibitors (SNRIs), atanapi pregabalin, pikeun ngaleungitkeun gangguan kahariwang sareng ningkatkeun mood. Benzodiapines, pikeun ngubaran gangguan kahariwang akut parna", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8240", "text": "Mineng pisan babaraha terapi diterapkeun ka penderita autofobia atanapi jalmi nu sieun sawaktos keur nyalira. Terapi kahiji nu tiasa dilakukeun nyaeta terapi perilaku kognitif . Terapi ieu fokusna kana latihan pernapasan tur milarian panyebab sieun nu dirasakeun. Peryogi rutin ngiringan terapi ieu ngarah hasilna tiasa gancang katingal. Salian eta diajar ngalola pikiran ge tiasa ngabantos pangubaran perilaku autofobia. Diajar cara ngalawan pikiran negatif perkawis katiisan atanapi kanyaliraan, secara bertahap tiasa ngahartos upami nyalira teh teu pikasieunen atanapi ngabahayakeun. Cara terahir nyaeta nganggo ubar medis. Nginum ubar medis tiasa ngirangan gejala autofobia, conto ubarna nyaeta beta-blocker. Biasana ubar ieu sifatna sementara pikeun hiji jalma tiasa balik ngalakukeun aktivitas.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2059", "text": "Abdi hoyong bagikeun pangalaman pribadi kuring ngeunaan kumaha carana nyimpen duit jeung tips tabungan anu kuring geus dilarapkeun rada suksés, jadi ulah heran lamun artikel ieu teu pinuh ngajelaskeun prosedur bener keur nyimpen duit, tapi malah ngobrol ngeunaan finances. . Waktu mimiti nyimpen duit, kuring nempo tabungan nominal leutik teuing, jadi puguh kuring, mikir lamun kuring kungsi nyimpen loba, jadi kuring nyimpen 1-2 kali, tabungan antukna spent meuli barang nu éta teu jelas. Kanggo anu gaduh pamikiran anu sami sareng kuring, kuring nyarankeun ngamimitian ngahemat artos kalayan targét mésér barang, sabab rata-rata kuring gagal nabung kusabab teu aya target sareng teu biasa, alias teu konsisten. nu matak meurenan mah misalkeun barang teu jadi dipeser ge urangmasih seneng ku lantaran boga tabungan nu bener.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3251", "text": "Toilet anu kotor tiasa nyababkeun sagala rupa panyakit anu bahaya. Tong hariwang, turutan padika ieu nalika nganggo jamban kotor supados tetep séhat. 1. Pilih Toilet anu Pang Bersih\r\nNalika angkat ka kamar mandi, cobian pilih kamar mandi anu katingalina paling bersih. Seuseueurna jalma milih angkat ka kamar mandi anu pangjauhna ti lawang. Janten, mariksa heula ka WC tiasa janten pilihan anu langkung saé. Ieu tiasa dilakukeun nalika toilét kosong. 2. Ulah nempatkeun koper di lantai toilet\r\nUlah nempatkeun bagasi di lantai. Kuman sareng kokotor tina sapatu bakal ngalih ka barang anjeun sareng pamustunganana tiasa ngalih ka panangan anjeun. Gantung kantong dina gantungan anu disayogikeun upami aya. Lamun henteu, tetep sacaket mungkin ka hal anjeun. Upami mungkin, titipkeun ka kulawarga atanapi babaturan sateuacan angkat ka WC umum.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "371", "text": "Kaduhung teu ngabiasakeun maca buku ti keur leutik. Jadi pas gede teh kabawakeun hoream. Padahal maca buku teh gudangna elmu, jeung lamun biasa maca buku loba hal nu bisa diobrolkeun sabab pengetahuanna anu lega. Urang maca buku teh paling buku-buku pelajaran eta oge kapaksa da kudu ngarti. Jarang maca buku-buku di luar buku mata pelajaran mah. Tapi urang kaasup resep ngoleksi buku. Lamun misalna ka toko buku rek meuli buku pelajaran, pasti urang oge meuli buku novel. Tapi akhirna bukuna teh tara dibaca, sakapeung mah masih keneh diplastikan. Kusabab ngarasa teu butuh tea, padahal loba maca buku bisa ngubah sudut pandang jeung jadi jelema nu wawasanna lega.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "286", "text": "Acara kawinan jadi acara anu sakral, tangtu oge kudu nyiapkeun persiapan nu mateng sangkan acarana lungsur langsar. Nu kudu diperhatikeun supaya acara kawinan lancar nyaeta, nu kahiji biaya. Biaya ieu gumantung kana konsep kawinanna, rek sederhana atawa megah. Nu kadua tanggal kawin kudu ditangtukeun sabab jang persiapan daftar ka KUA. Nu katilu lokasi kawin kudu ditangtukeun naha dek di imah supaya leuwih hemat, atawa rek di gedung. Nu kaopat jumlah tamu nu diondang, rek dibatasan jang kulawarga deukeut hungkul atawa kabeh diondang. Ieu penting sabab nangtukeun kana jumlah konsumsi. Nu terakhir dekorasi kawin, rek nu sederhana atawa nu mewah, ieu bisa ditangtukeun oge jeung lokasi acara kawinna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5545", "text": "Basa nuju sorangan di imah, abdi ngoncian kabeh panto jeung jandela. Sadaya kulawarga nuju ka imah nini nu teu jauh ti imah, abdi mah bagean tunggu imah. Keur anteng ngoprek hape, jol aya sora nu ngetok-ngetok panto, abdi reuwas kacida campur sieun bisi aya nu rek maling. Pas ditempo, euweuh sasaha. Tuluy pindah keketokna kana jandela, pas ditingali teh teu aya sasaha. Abdi langsung ka tengah imah da sieun. Geus kaopat kalina keketok panto, abdi ngantep da sieun. Eh keketokna teh teu eureun-eureun, entos we abi ngawawanian muka panto, pas dibuka lanceuk abdi langsung ngareureuwas hareupeun panto pisan. Abdi pangsoak asa rek pingsan saking reuwasna. Ternyata nu keketok titadi teh emang lanceuk nu ngahaja ngeprank.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2978", "text": "Waktu éta kuring jeung misan keur iinditan ku sapédah (anjeunna nunggang kuring dina sapédah) ka warnet jeung urang kudu ngaliwatan gereja, aya loba anjing di sabudeureun gereja jeung kajadian yén dina waktu éta anjing. keur pipis di tempat sampah jeung urang ngaliwat eta sepi, nu waktu eta urang mikir aman naha anjing boga naluri atawa intuisi pikeun ngudag urang, dumadakan dina sakedapan eta ngudag urang, kira 2 méter di tukangeun urang lajeng misan kuring. langsung pedal sakuat-kuatna jeung untung deui kuring salamet diudag anjing. Abdi ngahargaan pisan suku misan urang. Salami kuring nungkulan warnet, kuring sering ngalaman kasusah. komo deui ker di udag-udag sato teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2493", "text": "Henteu ngan ukur ngabantosan ngajaga kaayaan mental, ngobrol sareng babaturan atanapi baraya ogé tiasa masihan mangpaat pikeun kaséhatan fisik urang. Panaliti ti Pusat Panaliti Sepuh di Stockholm, Swédia, mendakan yén jalma anu ngagaduhan kagiatan sosial anu cekap ngagaduhan résiko pikun anu langkung handap. Jalma-jalma anu umumna langkung nyambung sacara sosial ka batur langkung saé dina tés mémori sareng kamampuan kognitif anu sanés. Éta hartina urang ogé kudu terus nyieun babaturan bagja sangkan bisa hirup leuwih sehat jasmani jeung rohani. Urang teu kudu ngadagoan waktu nu pas pikeun papanggih jeung babaturan atawa baraya heubeul, malah bisa lumangsung iraha wae salila urang bisa komunikasi alus. Mun mungkin dina sabelas bulan sejenna hese papanggih sabab teu ngarasa aya momen katuhu, urang sabenerna bisa nyieun moments ogé. Kedah diaku yén sakapeung tanpa disadari aya sababaraha urang babaturan atawa meureun diri urang anu lalaunan mimiti kumalayang jauh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9570", "text": "Agus nyaeta salah sahiji atlet mengbal anu kacida berbakat. Manehna maen di timnas junior jeung mangrupakeun salah sahiji pamaen pangalusna di antara atlet-atlet anu sabaya. Sanajan kitu, hirup Agus berobah nalika Agus ngalaman kacilakaan dahsyat. Waktu manehna naek motor, treuk nu tarik ngalajuna nabrak Agus ti gigir. Agus cilaka. Luka-lukana kacida parna sarta kudu dilumpatkeun ka rumah sakit. Saberesna dipariksa ku dokter, kacida sialna, suku kencana ancur sarta teu bisa dipertahankeun deui. Agus kudu dioperasi, hartina sukuna kudu diamputasi. Ieu pangalaman anu kacida hanjelu pikeun Agus. Karir maen balna ngadadak eureun. Manehna geus teu bisa deui maen kalayan cara anu sarua siga samemehna. Agus kacida sedih jeung ambek ku kajadian ieu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7846", "text": "Salian ti runtah anu numpuk dina tempat umum, abdi oge paling teu resep kana runtah anu ditumpukkeun di tempat ngumbah wadah. Runtah tilas dahar, runtah tilas masak anu ditumpukkeun dina wadah tempat ngumbah wadah teh nyieun urang jadi hoream ngumbah wadah lantaran kedah misahkeun heula runtah tina piring. Komo lamun runtahna tos minuhan bagian saringanna anu nyieun mangpet jeung piring-piring janten kakeeum ku cai anu pacampur jeung runtah. Sae na mah sateuacan nyimpen piring kanggo dikumbah, kedah di piceun heula runtahna, minimal mah runtah palastik jeung runtah baseuh ulah dihijikeun jeung diasupkeun kana tempat ngumbah wadah ai hoream ngumbahna mah. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6961", "text": "Lulus ti SMA abdi tos gaduh rencana hoyong kuliah di jurusan Hukum. Ieu oge tos janten cita-cita abdi ti SMP keneh. Abdi nyobian ujian kanggo asup ka jurusan hukum di salah sahiji perguruan tinggi. Abdi tos yakin pisan bakal katarima di perguruan tinggi, malahan abdi ngomong ka rerencangan lamun abdi lolos abdi bakal meulikeun tuangeun kanggo rerencangan. Pas tos waktosna pengumuman, abdi sareng sakulawargi ngantosan di hareupeun komputer lantaran hasilna diumumkeun di website. Abdi tos atoh pisan lantaran teu sabar hoyong geura kuliah. Tapi pas dibuka hasilna teu lulus, abdi teu percaya nepikeun mastikeun sababaraha kali. Butuh waktos samingguan nepikeun abdi narima yen abdi teu lulus kuliah di kampus anu abdi hoyong. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4454", "text": "KKN atawa singketan na Korupsi, Kolusi jeung Nepotisme teh hararese pisan nya di lawan, ieu teh loba pisan kajadian jeung makin ngaraja lela ayeuna komo di dunya pagawean. Jelema anu teu miluan KKN sigana bakal hese meunangkeun pagawean. Kusabab ayeuna rata rata lamun hayang asup ka tempat di gawe anu alus biasana kudu di bawa ku batur anu sok di sebat orang dalem orang dalam ieu teh oge osok menta duit pungutan. Sikep sikep jeung budaya kawas kieu teh loba tapi kudu di leungikeun, kusabab lamun di gawe teh kudu jujur ulah sok nyokot pagawae an batur, batur teh geus loba usaha pastina sangkan bisa meunangkeun pagawean karesepna. Matak wajar pisan yen jelema anu geus usaha meunang teh kuciwa jeung ambek pisan kana jelema anu asup gawe ku cara KKN.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5933", "text": "Salah sahiji kasus nu nuju booming teh nyaeta kasus pencurian di sahiji toko nu aya di Medan. Kasus pencurianna teh dilakukeun jam sabelas peuting. Penjaga tokona teh masih keneh aya di meja kasir sabab emang tokona dua puluh opat jam. Pas penjaga toko keur sorangan, jol aya nu meuli tapi make tutup raray, tuluy teu lila kalah nodongkeun pistol ka penjaga toko bari menta hape jeung uang. Penjaga toko teh da sieun pisan, jadi nurut kana sagala nu diparentahkeun. Pas geus kacumponan kabeh, nembe indit bari ngancam si penjaga toko. Tah tina hal ieu urang bisa nyokot pelajaran yen mun keur gawe tengah peuting teh kudu didampingan, ulah sosoranganan. Sabab hal buruk nu nimpa jalma mah datangna teu bisa diprediksi. Jadi, demi nyegah hal buruk, mendingan lakukeun we gawe babarengan, komo mun peuting mah!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6860", "text": "Basa nuju bade pindahan imah, abdi dipiwarang ngabongkar kamar jeung mawa barang nyalira, janten barang-barang pribadi mah teu dihijikeun jeung nu sanes supados teu hese mereskeun na. Abdi langsung ngabungkusan kabeh barang anu aya dina kamar. Mulai ti acuk, nepikeun sapatu jeung karpet nu aya di kamar. Tapi aya hiji deui tempat anu teu acan kuring bongkar. Pas dibongkar, epekteh didinya seeur barang anu tiasa dipake keneh, hampir wae bade dipiceun lantaran tos lami teu dibuka. Abdi langsung meresan eta barang-barang. Tapi pas nuju ngelapan barang-barang eta abdi nimu hiji flashdisk anu geus lila leungit. Abdi bungah pisan lantaran tiasa ngabalikeun deui data-data anu baheula. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7819", "text": "Sabenerna mah abdi resep pisan kana cumi-cumi. Komo lamun dipasak janten sambel cumi asin. Pokona mah lamun meser cumi pasti langsung ngadamel cumi asin anu dipotong-potong leutik tuluy dioseng jeung sambel. Tapi hanjakalna ayeuna cumi asinna kalahkah digoreng dina tipung hungkul ku mamah. Abdi asalna teu masalah lamun cumi digoreng jeung tipung, tapi pas abdi cobian naha rasana teh hanyir keneh, jaba pait. Jigana mah cara ngolah cumina salah. Janten abdi teu resep kana bauna, anu asalna geus didahar jadi diutahkeun deui lantaran teu kiat kana hanyirna. Jigana mah cara ngolahna anu salah, kedahna cumi dikeeum heula ku cai panas sateuacan dipasak. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4312", "text": "Budak tatangga gigireun imah kamari ceurik gogowakan pedah di prank ku babaturan na di sakola. Budak ieu teh leutik keneh pisan, tuluy di prank atawa di jailan ku babaturan na nyaeta sapedah na di sumputkeun ka tukangeun sakola. Budak na ceurik da sieun di carekan ku kolot na lamun sapedah na leugit. Geus ceurik kitu babaturan na lain na burukeun cokot balikeun sapedah na kalah ka seuseurian, eta ngajieun budak ieu beuki ambek ambekan tuluy jadi gelut. Pek geus di balikeun sapedah na budak ieu nya reuwas kusabab di jailan tapi leuwih ka ambek oge kusabab di anggap katerlaluan. Gara gara prank eta, barudak kalah pasea", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5277", "text": "Salah sahiji pangalaman paling sedih dina hirup abdi nyaeta kaleungitan hape. Sanes masalah hapena, tapi data dina ro eta hape n berharga pisan mah. Abdi kaleungitan hape tos kadua kalian. Nu ayeuna mah leungitna di sakitaran taman di kampus. Haena warna hideung, casing na warna biru tua. Abdi kaleungitan na basa keur ngantri nungguan angkutan kampus. Jigana harita murag hape teh tina pesak calana. Abdi engeuh teh basa tos naek angkutan. Pas ku abdi teang deui ka tempatna, tos teu aya pisan. Abdi ngarasa sedih pisan sabab jerona aya draft skripsi abdi nu acan ka copy. Meuni asa putus harepan pisan abdi harita.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4297", "text": "Urang lamun hayang di hargaan ku batur hartina urang oge kudu ngahargaan ka batur, cara ngahargaan jelema aya loba carana, salah sahijina nyaeta mere hadiah dina saat saat tartangtu, misalkeun dina momen bahagia na misalkeun ulang tahun na, ulang tahun pernikahan atawa lamun dina bisnis bisa mere hadiah lamun keur pembukaan bisnis anyarna. Batur anu di bere hadiah kieu ngarasa yen manehna di hargaan, lamun urang di anggap geus bisa ngahargaan batur dina kahirupan sosial urang moal hese, urang bakal balik di hargaan ku batur oge pastina. Urang bakal boga jaringan kerja atawa pertemanan sama anu alus jadi urang bakal bisa babari lamun misalkeun rek menta tulung atawa anu sejena. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "242", "text": "Harita urang pernah meuli gantungan konci ngaranna teh Key Finder. Urang meuli ieu teh sabab sok mindeng kaleungitan konci motor di imah sorangan. Sabab hargana murah dihandap Rp 10.000, jadi urang meuli loba jang dibikeun ka nu aya di imah. Warna na oge beda-beda, aya war na bodas, hideung, beureum, jeung biru. Bentukna leutik jadi babari lamun dicepengan teh atawa disakuan kana calana. Barang ieu aya lampu warna beureum fungsina lamun pas urang ngaheot, si gantungan koncina bakal disada tarik jeung aya lampu nu hurung. Gantungan koncina sensitif kana suara, jadi lamun ngaheot lalaunan oge bakal disada bari mere lampu kucap kiceup ngameh lamun leungit di tempat anu poek bisa katinggali.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4053", "text": "Bulan november urang di bere kasempatan nonton konser NCT 127 di tanggerang, tapi konserna teh teu sesuai anu di bayangkeun ku urang. Can di mulai ge geus aya ancaman bom, teras pa dorong-dorong nepika baricade rag-rag jeung ngajieun 30 urang pingsan. Kuduna mah pihak promotor teh ngaluarkeun jalma anu sakirana ngasebabkeun kaributan, ieu mah kalah ngabubarkeun kabeh jalma anu miluan konser, jadi urang anu mimitina bungah bisa nempo NCT 127 jol jadi sedih. Tapi pas awal urang nonton samemeh aya kaributan mah aman-aman wae, bisa seserian jeung gogowakan boh nyanyi babarengan. Mun ceuk urang mah kaributan di mulaina ti pas NCT 127 nyanyi lagu paradise anu ngalungkeun bola ka penonton, jadi weh raribut da hayang meunangkeun bola. Kulantaran urang nonton dua poe, tah nu poe kadua mah aman nepika akhir lagu 2 baddies ge di nyanyikeun, urang bungah pisan nepika sora beak. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2988", "text": "Tadi peuting kuring leumpang ngurilingan Malioboro. Sajeroning leumpang teu karasa aya nu nuturkeun kuring ti tukang. Dina awal carita, kuring kakara nyaho kuring diturutan ku batur nalika balanja baju, kuring nempo hiji lalaki anu kuring ngarasa naha manehna sok aya dimana-mana, kawas di jalan, di mall, di toko. . Gerakanna rada curiga bari neuteup kuring sababaraha kali. Dina pikiran kuring siga anu dituturkeun ku batur. Kuring ogé diusahakeun tetep tenang jeung kawas euweuh kajadian. Teras kuring kaluar ti toko sareng milarian tempat anu rame pisan sareng kuring asup ka salah sahiji mall. Kuring langsung ka wc nu harita rada rame. Sajeroning di jero, kuring néangan pangungsian ku nelepon babaturan kuring nu rada deukeut ka mall. Kuring kaluar jeung langsung naek kana mobil babaturan urang. Ti dinya kuring mimiti ngarasa aman. Jujur, kuring ngarasa sieun sareng hariwang nalika kajadian sapertos kitu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3023", "text": "Panyakit agorafobia bakal ngarasa sieun sareng hariwang anu kaleuleuwihi di sababaraha tempat sareng kaayaan, sapertos tempat umum, kamar anu ditutup, riungan, lingkungan luar bumi, sareng angkutan umum.. Agorafobia parah anu henteu dirawat tiasa ngajantenkeun penderita sok sieun, hariwang, sareng panik nalika mikir, ngalaman, atanapi aya di tempat sareng kaayaan anu dipikahariwang, tangtos tiasa mangaruhan kualitas hirupna. Nu nalangsara meureun teu hayang kaluar imah pikeun kagiatan normal, saperti indit ka sakola atawa gawe di kantor. Hasilna, penderita aya résiko ngalaman panurunan prestasi sareng kasusah kauangan, sareng janten gumantung ka batur. Salaku tambahan, agoraphobia tiasa ngajantenkeun penderita langkung rentan ngalaman: depresi, gangguan jiwa, sapertos gangguan kahariwang, katergantungan alkohol, penyalahgunaan narkoba, ngasingkeun diri, usaha bunuh diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2168", "text": "Waktu keur SMP, kuring aktif ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler jadi kuring resep balik ka imah peuting-peuting, sabab ekstrakurikuler kuring jadi aktif milu pasanggiri di luar. Abdi gaduh idin ti kolot abdi unggal balik telat, tapi dina sababaraha alesan waktu éta indung kuring ngamuk sabab balik telat. Kuring dicaci maki, digebugan, dikutuk tapi kuring inget kana omongan babaturan kuring baheula, jadi kuring ngan cicing wae jeung nyobaan ulah ceurik. Hasilna? Kuring dituduh ngagunakeun narkoba sareng gaduh babaturan acak. Haté reugreug. Kuring geus berjuang pikeun jadi anak reueus tapi tétéla kuring kasampak handap. Ti dinya kuring nekad yén lamun indung kuring nyebutkeun hal-hal salah ka kuring, kuring bakal ngabejaan manehna naon bener sanajan kuring terang naon nu bakal meunang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5218", "text": "Kasus PHK jadi salah sahiji kasus nu rame diobrolkeun saprak aya wabah covid-19. Tangtuna kasus ieu teh ngarugikeun sababaraha pihak, utamana pihak karyawan nu kena PHK. Karyawan nu ngagantungkeun hirupna tina hiji pagaweannana ngarasa rugi sabab saprak PHK moal aya deui pemasukan atawa penghasilan jang nyukupan kabutuhan sapopoena. Salian eta, tina pamasukan oge berkurang drastis pisan. Loba karyawan nu alih pagawean jadi tukang dagang, jadi tani, bahkan aya oge nu leuwih parah jadi pangangguran sabab teu boga kaahlian. Tah hal ieu teh jadi hal nu kuduna diperhatikeun leuwih lanjut ku pamarentah sabab ngajadikeun timpangna ekonomi utamana di daerah nu jauh ti perkotaan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9177", "text": "Kuring inget pisan, ceuk mamah lamun keur datang bulan teh kudu rajin bebersih, kusabab ai getih mau bau hanyir. Ngabersihanna oge kudu nepi ka beresih pisan, ulah aya sesa-sesa getih anu kaliwat teu kaberesihan. Komo mamah mah jelaman teh sensitip pisan kana bau hanyir teh. Panan mamah teh ayeuna ngajar di salah sahiji SMP, harita mamah pernah maggihan pembalut anu dipiceunna teh can diberesihan heula, eta mah ceunah kacida pisan bau hanyirna teh, mamah nepi ka hayang utah. Kapaksa ku mamah teh dibersihan make kaki da jiji ongkoh, ku mamah teh dikeresekan teras langsung dipiceun ka tong sampah. Kareka weh isukanna teh mamah masihan elmu ka barudak istri di sakolana kumaha cara bebersih nu bener lamun keur datang bulan teh. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "671", "text": "Pira babaturan urang di kuliahan, manehna leuwih tiheula kawin lantaran geus aya calonna, jeung siap lahir batin. Pangpangna mah indung bapakna geus hayang ngais incu, soalna Pira teh budak hiji-hijina. Tapi geus aya 3 taunan kawin, Pira can dibere momongan. Geus dilakukeun mangrupa-rupa cara luyu jeung saran ti indungna oge babaturanana. Bakat ku pasrah, Pira nyanggakeun ka gusti Allah kana naon wae anu jadi takdirna. Tapi teu diduga-duga, Pira kakandungan, da harita teh sok utah-utahan di cai jeung karasa mual dina padaharan. Pas di cek kehamilan, bener weh manehna keur kakandungan, aya eusian dina beuteungna. Bungah kacida Pira nepikeun sujud sukur.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2949", "text": "Saur sim kuring, dosa teh nyaeta sakur ucapan atawa perbuatan anu dihaja (sadar) anu matak goreng (negatip) ka jalma sejen, boh sacara pribadi boh sacara kelompok.\nDampak anu goréng tiasa dina wujud kaayaan subjektif sapertos: munculna kasangsaraan jiwa, nyinggung, nganyenyeri, sareng dendam ka korban.\nPangaruh ngarugikeun obyektif tiasa: karusakan reputasi, rugi ékonomi, rusak rumah tangga, tatu fisik, sareng maotna korban. Henteu paduli dihaja atanapi henteu, sadaya ucapan atanapi kalakuan kuring anu nyababkeun kuring ngarasa kaliru sareng kaduhung, terang yén éta ngagaduhan pangaruh anu goréng pikeun jalma atanapi sakelompok jalma, kuring digolongkeun kana dosa.\nLamun unggal dosa pantes 'hukuman' mangka, dina pamanggih kuring, hukuman paling parna nyaéta mecenghulna kasalahan jeung kaduhung sorangan.\nKasalahan jeung kaduhung teu bisa ditebus atawa dipupus, boh ku menta hampura jeung tobat boh ku hukuman badan (hukum positif). Keur kuring, kasalahan geus salawasna jadi 'hantu' dina hirup abdi salami abdi tiasa apal.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1388", "text": "Urang ngarasa sedih jeung prihatin ninggali kondisi lingkungan nu aya disabudureun nu can dikelola ku cara anu bener. Tapi urang sadar mun perasaan geuleuh jeung teu nyaman ieu ngan saukur bakal memperburuk kondisi jeung teu mawa solusi nanaon. Jadina urang mutuskeun jang nyokot tindakan nyata jeung mantuan ngaberesihkeun lingkungan nu aya disabudureun. Urang nyokot sarung leungeun jeung ngawitan nyokotan sampah nu berserakan di tumpukan sampah. Sanajan ngarasa geuleuh, tapi urang tuluy ngumpulkeun sampah lantaran mibogaan tekad jeung sumanget anu gede. Urang fokus kana tujuan akhir, nyaeta ngaberesihkeun lingkungan tina sampah jeung nyieun leuwih beresih oge rapih. Beuki lila, sababaraha jelema bahkan miluan jang mantuan ngaberesihkeun lingkungan. Urang ngarasa bungah jeung terharu yen masih aya nu paduli ka lingkungan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6328", "text": "Tilu hal nu paling menjijikan nu osok dipanggihan dina toilet umum. Nu kahiji nyaeta aya pembalut nu teu diberesihan jeung dipiceun sambarangan. Tah ieu teh paling geuleuh pisan katempona, sabab salian teu endah, oge bauna burarengan ka mana-mana. Nu kadua nyaeta aya pampers budak nu teu dipalastkan. Tah komo mun pempers na aya taian, mantak geuleuh pisan ningalina ge. Seueul pisan mun nempo jeung ngambeu na teh. Nu katilu nyaeta loba puntung rokok dina kloset. Geuleuh pisan mun nempo puntung rokok dina kloset, sabab asa lain tempatna jang miceun puntung rokok. Komo mun di toilet na ge bau haseup rokok, sok kalah seueul hayang utah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "764", "text": "Lamun keur lebaran, sok loba dulur nu daratang ka imah nini. Imah nini teh deukeut ti imah urang. Biasana maranehna ngabagikeun duit ka incu-incuna nini. Tapi urang ngarasa diperlakukeun teu adil, pas dibagikeun duit teh ayeuna mah tara meunang sarebu-rebu acan, malah nu dibere teh ngan barudak leutik hungkul. \"Maneh mah geus gede, geus bisa neangan duit sorangan\" pokna teh kitu. Padahal naon salahna mun urang dibagi oge? Da urang ge sarua butuh duit, malah kabutuhan urang leuwih loba tibatan barudak leutik, barudak leutik mah paling dibeulikeun kana eskrim. Sedengkeun urang butuh biaya jang sapopoe, ari barudak leutik mah can aya tanggungan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "205", "text": "Masalah nu utama di kulawarga gede naha euweuh nu daek sakola nepi paguron luhur teh nyaeta masalah waragad. Geus ngabayangkeun waragad nu bakal dibayar sakumaha gedena, dina pipikiranna kudu ngajual harta banda. Padahal mah teu kitu, loba beasiswa ti pamarentah atawa di swasta. Urang wae contona meunang beasiswa ti pamarentah, ngaran beasiswana Bidikmisi. Jadi teu kudu mayar tiap semester, oge dibere duit tiap semester teh kitu deui jeung duit meuli buku. Teu aneh sih da emang enya pasti hariwang ngeunaan waragad, ari ceuk urang mah kusabab euweuh jelema anu bisa ditanyaan tea, jeung henteu neangan info sorangan ti internet jadina teu apal. Perlu oge peran ti guru-guru sakola SMA jang ngadugikeun ngeunaan beasiswa, mun bisa ondang oge indung bapakna ngameh kabuka pikiranna. Matak urang bungah asup paguron luhur teh, bisa ngaping dulur-dulur sangkan daek oge daftar ka paguron luhur.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6088", "text": "Mun make kandaraan teh kudu nyaho oge kana pemeliharaan spare partna, ulah apal makena hungkul. Kudu rutin servis supaya kandaraan nana bisa ama jeung sehat, komo bagian rem mah. Penting pisan pemeliharaan rem teh supaya ngacegah rem blong saat di perjalanan. Sabab kasus rem blong teh bisa disababkeun ku sababara hal, salah sahiji na nyaeta kurangna minya rem atawa ampas rem nu aus. Tah hal ieu teh bisa oge ditingalina lain ku jangka waktu, tapi ku pemakaian. Mun pemakaian remna intens pisan mah nyebabkeun remna sorangan tereh aus jeung loba nu blong. Mantakna kudu leuwih perhatian kana perawatan kandaraan teh sabab penting pisan peranna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7594", "text": "Abdi sok rada sieun lamun nuju jalan-jalan ka hiji imah anu aya di daerah dekeut sakola kuring. Masalahna di dinya sok aya nu gelo cicing bari ningalikeun jalmi nu keur mapah di dinya. Abdi sabenerna teu pati sieun ka jalmi eta tapi teu apal kunaon poe ieu abdi jol dituturkeun ku manehna. Jadi asalna mah manehna nuju diuk di hareupeun imah, tempat manehna biasa cicing. Pas abdi ngaliwatan imah eta, manehna jol nuturkeun di tukang. Pas abdi meuntas, manehna oge miluan meuntas nuturkeun kuring di tukang, sabari seuserian. Untungna aya rerencangan abdi nu masihan apal. Abdi langsung buru-buru asup ka sakola. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5199", "text": "Dina budaya urang Indonesia mah, rata-rata mun umur tilu puluh can nikah teh disebatna bujang kolot atawa parawan kolot. Komo mun dugi ka nincak umur kolot tapi teu acan keneh nikah mah, disebat na ge teu payu. Padahal urang teu bisa nganilai sasaorang tina segi kitu, sabab kan kaputusan tiap pribadi teh beda-beda. Misal, aya nu memang acan siap nikah atawa aya nu memang memutuskan jeung teu nikah. Tiap individu pasti boga alesanna sorangan, jadi teu kudu disaruakeun jeung batur. Boa teu acan nikah na mah masih ngudag keneh karir jeung usaha, boa masih keneh nyiapkeun bekel, atawa sajabana. Tong sok nganilai jalmi tinu sabeulah pihak, tingali oge alesannana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5124", "text": "Tadi isuk teh jadwal Kiki ujian bahasa Jepang. Kiki ngahaja indit sakolana leuwih isuk ti sasari da bisi kabeurangan. Di saola, Kiki macaan deui buku palajaran jang ngapalkeun. Ujianna dimulai ti jam tujuh dugi ka jam salapan. Tah pengumuman nilaina teh jam dua beurang. Pas jam tujuh, Kiki langsung asup ka ruang ujian. Kiki ngerjakeun ujian samaksimal jeung samampu dirina. Tos beres ujian, Kiki ka kantin meser emam bari nungguan hasil ujianna kaluar. Teu lila tos jam dua, Kiki ningali hasil ujian dina papan pangumuman. Alhamdulillah hasilna Kiki lolos ujian. Kiki bungah kacida, acrig-acrigan nyapeurkeun babaturan nana. Hasil diajar salila ieu teh teu ngahianati proses. Kiki tuluy balik ka imah, teu sabar hoyong ngabejaan emakna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3419", "text": "Ngagunakeun anu dijieunna tina hampang, gampang nyerep kesang jeung teu kandel teuing. Lain syar'i hartina kudu make baju kandel dina cingcin kepompong. Hindarkeun ogé bahan anu digunakeun sangkan henteu gampang nyerep kesang sapertos baju saperti damsel tina satin. Intina nyieun baju anu pas. Nalika nganggo deodoran, ngantepkeun daérah kelek dugi ka garing, ogé nalika anjeun badé nganggo baju. Anjeun ogé tiasa nyobian nganggo bubuk khusus pikeun ngaleungitkeun bau awak, anjeun terang, kuring suksés nyobian éta pikeun anggota rumah tangga anu ngagaduhan masalah bau awak. Upami sadayana cara parantos dicoba tapi bau awak tetep aya, anjeun kedah konsultasi ka dokter sabab tiasa aya indikasi panyakit anu tangtu. Oh enya, éta ogé mangrupakeun ide nu sae pikeun nyoba ngaronjatkeun kualitas dahareun. Ulah loba ngahabek bawang sarta coba dahar bumbu remen salaku lauk. Disebutkeun yén daun kemangi pohara alus pikeun nyieun awak bau, jadi mindeng dahar daun kemangi seger.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8422", "text": "Penampilan geuleuh, teu ngarareunah, jeung hatred kana hiji hal, kaasup jamban asing, teu salawasna nunjukkeun hal bahaya. Kaayaan ieu tiasa lumangsung sacara alami, contona upami anjeun ngalaman pangalaman anu goreng nalika atanapi saatos nganggo jamban asing, contona ningali sato, ningali tai jalma, sareng sajabana. Nanging, upami parasaan ieu katingalina hebat, kaleuleuwihan, teu masuk akal, ku kituna anjeun tiasa nahan peujit salami lami tanpa nganggo jamban, tangtosna ieu mangrupikeun hal anu kedah diperhatoskeun. Bisa jadi naon anu anjeun alami ngawengku gangguan jiwa, contona fobia husus, gangguan kahariwang kaleuleuwihan, gangguan delusional, jeung saterusna. Nalika aya di wc asing, salami wcna bersih, ulah mikiran hal-hal, sapertos hariwang aya sato, hantu, atanapi hal-hal anu matak keuheul.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7482", "text": "Hawatos, hariwang jeung kasieun anu dirasakeun ku jalmi sateuacan naek ka panggung atawa cicing di hareupeun seeur jalmi tiasa di alaman ku saha wae, utamana ku saha wae anu teu acan biasa. Biasana oge aya sababaraha faktor anu mangaruhan, di antarana nyaeta trauma atawa pangalaman baheula anu masih keneh kainget nepikeun ayeuna, contona lamun urang pernah gagal basa tampil dihareupeun seeur jalmi atawa pernah dipoyokan ku batur. faktor anu sanesna nyaeta lantaran urang can siap kanggo tampil janten ngarasa teu pede, padahal lamun urang geus latihan jeung geus apal bakal ngalakukeun naon engke di luhur panggung pasti bakal ngarasa tenang. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5962", "text": "Mun nuju leumpang atawa nyorang jalan nu poek peuting-peuting teh ulah nepi ka sieun jeung boga pikiran goreng. Ulah ngalamun komo ngomong nu sembarangan mah. Usahakeun tetep berpikiran positif jeung tong hilap babacaan ngadoa ka gusti Allah. Tong panik mun ningali hal-hal aneh teh, tenang we da ke ge bakal leungit sorangan. Tong nepi ka kabawa sasah ku polah sorangan. Loba anu saking sieunna jeung negatif mikirna, daun oyag ku angin ge disangka ditepak ku jurig. Aya kalangkang tangkal nu hideung ge disangka jurig belegedegan. Tah, mantak ge penting pisan mikir positif jeung tenang teh. Tong sieun mun dinu poek, nya!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6908", "text": "Hamil ayeuna janten hamil kadua anu abdi alaman. Rasana leuwih tenang tibatan hamil pas mimiti pisan. Abdi tos apal kumaha carana supados teu pati mual jeung leuwih siap kanggo ngalahirkeun sabab tos ngalaman baheula. Hamil mimiti teh janten pangalaman anu moal matak hilap, seeur pisan palajaran anu abdi meunang. Sadaya persiapan tos rengse, abdi oge masihan apal ka murangkalih abdi nu nomer hiji yen manehna bakal janten lanceuk, manehna kedah bageur ka adina engke. Manehna atoh pisan lantaran salila ieu manehna lamun ulin ngan sorangan, bosen lamun nuju libur di imah. Manehna teu sabar hoyong geura ngajak adina ulin sasarengan. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5693", "text": "Indonesia mangrupakeun nagari nu kaya pisan kaberagaman suku bangsana. Ti hiji daerah ge bisa terdiri ti leuwih dua suku bangsa. Tah kahirupan masyarakat antarsuku na ge kabilang harmonis, silih dukung, jeung silih ngahormati. Memang sakapeung sok aya gesekan antarsuku nu nyebabkeun salah paham dugi ka timbul konflik antarsuku. Sajauh ieu, untungna hal nu kitu teh bisa keneh diatasi sacara kakulawargaan, ngutamakeun kabersamaan. Teu deui mikiran ego suku sorangan atawa kapentingan suku sorangan. Justru kaayaan suku nu beragam teh jadi aset Indonesia nu teu kanilai. Jadi, yuk urang pertahankeun kaharmonisan kahirupan ieu, ulah nepi ka nimbulkeun konflik deui. Yuk urang jaga babarengan!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4284", "text": "Fenomena kasurupan teh mindeng pisan urang denge akhir akhir ieu, kajadian kieu biasa kajadian di pabrik pabrik atawa sakola sakolaan. Kadian ieu biasana di mimitian ku saurang anu ningali jurig terus reuwas nepi ka leuleuseun kitu atawa aya nu nyebut kasambat ceunah ti dinya batur batur anu lain sok miluan reuwas jeung sieun dimana eta anu ngajieun teu tenang jadi weh sok aya anu ngahuleng jadi weh asup kasurupan, kusabab batur nu lain kitu jadi kasurupan na babari nepa eta nu di sebut kasurupan massal. Kasurupan biasana kajadian di tempat temapt anu ceunah angker atawa tempat anu geus lila kosong nu kakarek di eusian deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1404", "text": "Di kolam renang sok disadiakeun toilet jang ganti baju atawa tempat bilas. Toilet ieu sarua jeung toilet umumna, dibedakeun antara lalaki jeung awewe. Baheula urang ngamimitian renang didinya jadi teu apal mana toilet lalaki mana nu awewe. Da kabeneran pengungjung oge sepi, malah urang nu mimiti datang. Rek ninggali tanda oge euweuh tulisanna lalaki awewena. Jadi ngawanikeun sorangan jang ganti di tempat eta. Pas keur ganti baju di toilet da make tirai. Ujug-ujug aya awewe nu ngajerit. Urang reuwas langsung ninggali, sinhoreng manehanana ninggali urang saliwat tina tirai eta teu kahaja. Manehanana teu nyangka aya lalaki nu ka toilet awewe. Urang era pisan, buru-buru ninggalkeun toilet eta. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4402", "text": "Lamun maneh jadi korban salingkuhan, hubungan percintaan maneh rusak. Wajar teu nanaon maneh ambek, maneh nyarekan, maneh nyeri hate, maneh kuciwa eta teh wajar teu nanaon kusabab lain maneh anu salah. Maneh geus usaha sabisa maneh ngajaga perasaan pasangan maneh tapi teu di hargaan. Maneh wajar ngarasa nyeri ku sakabeh parbuatan mantan pasangan maneh jeung salingkuhan nana. Maneh teu salah, jeung keun bae maneh akhirna ngaluapkeun sagala emosi jeung nyeri hate na. Kusabab lamun di cicingkeun bisi jadi panyakit boh sacara mental saperti bisa nyieun hate teu tenang, depresi, setres atawa trauma bisa oge micu panyakit fisik bisa asam lambung ku bakat loba pikiran jeung jerawatan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3345", "text": "Anjeun ngingetkeun kuring ngeunaan hiji hal pisan ngerakeun. Waktu éta kuring rék ngalakukeun ujian tulis berbasis komputer pikeun jurusan kuliah. Tiis pisan. Rarasaan ketut ketut oge kaciri, nyeri pisan beuteungna. Kuring ogé mikir, \"Ieu moal jalan mun anjeun nahan eta sadaya waktu.\" Saeutik-saeutik kuring kaluarkeun supaya teu aya sora. Tapi nalika rék réngsé tanpa ngahaja kaluar, éta nyieun sora nu rada héran. Puuuffff. Kuring reuwas jeung nu lianna, untung di tukangeun kuring aya batur. Janten nalika aranjeunna ningali kuring, kuring langsung ningali ka jalma anu aya di tukangeun kuring. Abdi émut kumaha ekspresina. Lucu pisan. Manéhna bingung jeung reuwas manéhna nempo kuring. Saur anjeunna terang yén kuring anu palakuna tapi anjeunna bingung kumaha cara nepikeunana.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8551", "text": "Nami abdi Anna sareng abdi murid SMA. Kuring sok ngarasa reueus ka diri sorangan sabab kuring ngarasa teratur pisan sareng gaduh seueur PR anu sok dilakukeun dina waktosna. Tapi, hiji poe kuring ngalaman krisis leutik nalika kuring poho pikeun ngalakukeun salah sahiji PR abdi. Samemeh indit ka kelas, kuring nempo babaturan kuring mawa workbook na kuring ngarasa panik pisan sabab poho mawa PR kuring. Kuring nyoba nyumputkeun ieu ti babaturan kuring sarta miharep yen guru moal pariksa PR abdi. Tapi, nalika guru naroskeun ka urang ngadamel PR di payuneun kelas, kuring ngarasa era pisan sareng henteu yakin kumaha kuring tiasa ngadamel kaayaan ieu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2631", "text": "Émosi nyaéta parasaan anu kuat sareng dipangaruhan ku kaayaan anu tangtu, nyababkeun hiji kabiasaan. Dina kaayaan émosional ieu, bisa ngakibatkeun kaluar kabiasaan ti lingkungan sosial, teu hayang komunikasi jeung batur, nyalahkeun diri / batur. Émosi dibagi jadi dua rupa, nyaéta émosi négatif jeung émosi positif. Dina kaayaan anu ngahasilkeun émosi négatif, contona nalika aya jalma ngalaman musibah/musibah, bakal ngalaman émosi sedih, hariwang, kuciwa, ambek, jeung sajabana. Cara pinter ngadalikeun émosi négatif, diantarana: (1) Mikawanoh émosi nu kaalaman dina unggal situasi; (2) Nyobian ngartos sabab-sabab ieu émosi; (3) Ngartos paripolah anu balukar tina émosi ieu, ka diri sorangan sareng ka batur", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2195", "text": "Mun ditanya naon nu pangsedihna dina hirup, jawaban kuring ngan hiji. gumantung, kumaha masalah nu aya jeung situasi kondisi nu nyiaptakeun hal eta supados jadi hal nu piseuseud deun cipanon. Masalah unggal jalma béda-béda, kitu ogé kasedihna. Aya jalma anu sedih sabab teu tiasa tuang dinten ayeuna. Aya nu leuwih sedih lantaran teu bisa sakola kawas barudak lianna. Perasaan sedih ieu kadang dibarengan ku nyeri dina haté, kayaning sedih sabab urang teu bisa nulungan jalma anu gering parna atawa nulungan babaturan urang nu geus tatu ku musibah. Biasana kuring ngarasa nyeri dina haté kuring, perasaan ieu teu bisa nulungan ngajadikeun kuring sedih.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8952", "text": "Kuring sakali ngalaman trauma di kolam renang nalika kuring yuswa sapuluh taun. Waktu harita kuring jeung kulawarga indit ulin ka kolam renang. Biasana mun asup ka kolam renang teh sok dibaturan jeung diurus ku lanceuk kuring. Karek sababaraha jam kuring dibaturan ku lanceuk, manehna rek ngojay ka kolam renang anu jerona leuwih ti 1 meter. Jadi nitah kuring nungguan di sisi kolam renang jeung indung kuring bari dahar. Tapi teu dipikanyaho ku indung kuring, kuring lumpat naék tangga perosotan, teu apal yen eta teh bahaya. Indung kuring milarian kuring ti kajauhan, manehna kaget nalika ningali kuring parantos aya dina perosotan. Indung kuring langsung nyauran lanceuk kuring pikeun newak kuring, tapi kuring parantos turun jeung parantos leleub. Margi reuwas suku teu tiasa noel kana lantai kolam renang, kuring nyobian ngojay tapi caina jero teuing. Kusabab panik kuring nginum cai kolam renang sareng ampir kehabisan napas. Janten kuring ngarasa aya leungeun anu narik kuring kaluar, sareng kuring henteu émut naon anu kajantenan saatos éta. Sanggeus kajadian éta kuring jadi rada waspada keur di kolam renang sarta kuring moal balik jero nyalira deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7876", "text": "Biasana, lamun urang geus beger bakal ngalaman sababaraha ciri-ciri nu nandakeun yen urang teh geus asup remaja. Biasana sok ditandaan ku bau awak, hal ieu oge dialaman ku adi kuring. Abdi teu nyangka yen ayeuna anjeunna geus beger deui, padahal kamari mah asa TK keneh. Abdi nyadar manehna geus bau awak pas manehna asup kelas lima SD. Pas manehna balik ti sakola, abdi teu kahaja ngambeu bau kelek. Padahal baheula mah lamun manehna teu mandi oge teu bau, tapi ayeuna mah sanajan geus mandi oge angger we bau. Pas diwartosan yen manehna bau kelek, adi kuring kalahkah era, buru-buru manehna make pewangi baju. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2633", "text": "Divisi Profesi jeung Kaamanan (Propam) Polri nyatet yén rébuan aparat kapulisian geus dihukum lantaran ngalanggar disiplin, etika atawa kajahatan sapanjang 2021. Tapi, jumlah akumulasi palanggaran diklaim geus turun ti taun saméméhna.\nTina data anu dicandak, 1.694 urang kacatet palanggaran disiplin ku anggota pulisi sapanjang taun 2021. Jumlah ieu turun ti taun 2020 saloba 3.304 landian 48,7 persén jeung 2019 saloba 2.503 jalma. Data sakabéh nembongkeun panurunan ti taun saméméhna. Extortion mangrupikeun salah sahiji pelanggaran disiplin anu paling ngirangan, nyaéta 55,3 persén, atanapi ngirangan tina 85 palaku dina taun 2020 janten 38 taun ieu. Ieu dituturkeun ku palanggaran anu nurunkeun kahormatan jeung martabat nagara, nyaéta 50,8 persén tina 1.642 palanggaran taun 2020 jadi 807 palanggaran taun ieu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2184", "text": "Abdi émut pisan naon anu diomongkeun yén SIMAK ieu sanés ngan ukur tés formalitas sareng kuring kedah bersaing sareng calon sanés tangtosna. Saran ti anjeunna mah seueur pisan diajar SIMAK ieu ngawitan tina basa. Inggris jeung TPA na. Teras kuring ogé ngagaduhan kasempetan pikeun ngabagi ngeunaan pembiayaan engké nalika kuring nampi, bahkan dugi ka ngabahas beasiswa ogé. Jeung indungna ogé rada mantuan. Singkat carita, sanggeus kuring datang ti acara UI Open Days, kuring ngarasa termotivasi pikeun ngadaptar langsung, sabab dina waktu éta, anjeunna ngawartosan kuring yén nyokot tes angkatan 1 bakal boga kasempetan leuwih gede pikeun lulus ti angkatan 2. Masalahna nyaeta Éta angkatan 1 seuseueurna disaring langkung seueur, anu énggal. Kahayang abdi masuk teh ka UI teh ti SNMPTN Universitas Indonésia (UI) nampi 1.115 calon mahasiswa tina Seleksi Nasional Lebet Perguruan Tinggi Negeri (SNMPTN) 2022. Tapi tiUniversitas Indonésia (UI) narima 1.115 urang nu bakal asup jadi mahasiswa anyar UI, abdi sanes bagean ti dinya atanapi ti hasil simak UI.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "775", "text": "Paling teu resep mun geus heureuy teh nyangkut kana agama. Siga harita pas keur rame isu teroris, tuluy babaturan ngomong \"Naha maneh teu miluan? Kaditu atuh meh meunangkeun bidadari\" Pokna teh bari seuseurian. Urang ngajawab sabab ieu geus lain heureuy deui, tapi siga sindiran. \"Ari sia cageur? Naha bet mamawa urang? Naha pedah urang teh muslim, tuluy ku maneh dititah jang jadi teroris meh meunang bidadari? Teu kitu euy konsepna!\" Sakapeung mah ringkih ngadenge celotehan-celotehan kawas kitu teh, padahal manehna geus sababaraha kali ku urang edukasi, tapi tetep mun rek nyindiran teh ngeunaan kasus eta jeung isu-isu SARA, nu nyebabkeun urang naek darah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2835", "text": "Dina pangalaman kuring, tahap sieun atawa gugup mindeng lumangsung alatan urang sibuk teuing mikir ngeunaan naon batur pikir urang. Nalika urang sibuk mikirkeun naon anu dipikirkeun ku batur, tungtungna urang ogé bakal susah pikeun diri urang sorangan.\nUrang ogé anu tungtungna kaleungitan ku rupa-rupa anggapan sareng kasieun anu leres-leres diciptakeun ku sorangan. Janten eureun mikiran naon anu dipikiran batur ngeunaan urang, sabab pendapat urang ngeunaan diri urang jauh langkung penting.\nSalaku tambahan, kasieun panggung sareng gugup biasana disababkeun ku kurangna persiapan atanapi perasaan yén anjeun henteu gaduh kontrol anu cekap pikeun ngontrol kaayaan. Tapi upami urang ngartos tempatna, terang kaayaan sareng jalma anu urang hadapi, urang condong langkung percaya diri. Sumuhun, rasa kasieun bakal tetep aya, tapi dina wates anu tiasa dikendalikeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7598", "text": "Ti leutik abdi teu pernah bobo nyalira lantaran abdi mah jalmi anu borangan. Pas abdi tos SMP mamah jeung bapa sok miwarang abdi bobo nyalira, komo tos disiapkeun hiji kamar kanggo abdi bobo nyalira. Abdi tos nyobian bobo nyalira, tapi angger we geus dicobian oge tetep sieun bobo nyalira, kalahkah teu tiasa bobo lantaran loba pikiran-pikiran anu nyieun abdi sieun padahal teu kajadian. Abdi sok nyadap-nyadap sabari cicing ka kamar bapa jeung mamah bakating ku sieun bobo nyalira. Tapi mamah sok ambek lamun abdi bobo di kamar sepuh lantaran teu pantes geus gede mah lamun masih bobo di kamar manah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3294", "text": "Nyiduh acak-acakan sanes panyakit tapi kabiasaan anu tiasa dikontrol sacara sadar. Ku alatan éta, kabiasaan nyiduh bisa dieureunkeun ku usaha sadar tina palaku. Beda jeung kabiasaan snoring nu teu bisa dieureunkeun sabab alam bawah sadar. Hubungan antara nyiduh sareng panyakit rada caket. Sababaraha panyakit tiasa ditularkeun ku tetesan anu asalna tina ciduh, contona Cytomegalovirus, virus Epstein-Barr, Hépatitis A, Tuberkulosis (sanés tina ciduh, tapi tina sputum anu teras diciduhkeun), influenza sareng meningitis virus. Sajaba ti éta, cairan ciduh bisa nunjukkeun sababaraha kaayaan awak, contona, ciduh ngandung protéin C-réaktif nu mangrupakeun marker résiko serangan jantung. Ogé ciduh ngandung énzim sareng bahan kimia sanés anu tiasa dianggo pikeun nangtukeun kaayaan kaséhatan awak. Sareng anu paling penting, éta ngandung sadaya inpormasi genetik anjeun (DNA)!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2557", "text": "Abdi mangrupikeun jalma anu ngahampura, tapi upami kuring adu sareng pasangan anu selingkuh, kuring moal masihan kasempetan kadua, sumawona menta anjeunna pikeun ninggalkeun hubunganana pikeun kuring. Badag No. Abdi awéwé alus, abdi teu pantes lalaki kawas éta. Selingkuhan nembongkeun teu jujur, komunikasi goréng dina hubungan, sarta dissatisfaction pasangan. Naha kuring kudu ngabéla pasangan anu nganggap kuring 'teu cukup' pikeun anjeunna. Éta nunjukkeun yén anjeunna henteu hormat ka kuring. Naon waé alesanana, urusan éta henteu tiasa dibenerkeun. Upami aya sipat anu urang gaduh sareng pasangan urang henteu resep aranjeunna, selingkuh sanés jalan kaluar. Masalah ieu tiasa dibahas taliti. Janten anjeun tiasa introspeksi diri sareng ningkatkeun karakter anjeun. Gantina néangan awéwé séjén sarta nyieun karakter goréng anjeun hiji musabab. Lamun manéhna teu nyaman jeung karakter Anjeun, eta leuwih hade megatkeun up. Éta langkung wijaksana. Maén di tukangeun sigana nyieun pasangan Anjeun ambek atawa sarakah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4280", "text": "Pernah di caritakeun ku nini urang yen bareto amang urang teh pernah leungit di teangan kamana mana teu kapangih eta teh ceunah di ampihan ku wewe gombel, wewe gombel nyaeta jurig awewe anu resep jeung nyaah ka busak leutik. Basa eta di caritakeun ceunah mamah na nyaeta nini urang teh rek mangkat ka kota ninggalkeun amang urang, amang ge teu sorangan da loba adi jeung lanceuk sarta dulur dulurna didinya, tapi amang urang embungeun keukeuh hayang mili jeung indungna tapi ulaheun, nepi ka akhirna nini mangkat cicing cicing teu bebeja ka amang, tapi amang rupa na apaleun jadi balik sakola manehna mangkat rek nyusulan indung na. Batur rareuwas amang ngaleungit, di teangan kamana mana eweh nepika indungna balik, nepi ka akhirna di timukeun dina luhur tangkal gede pisan anu jauh pisan ti imah,amang urang di tanya jadi teu nyambung. Ceuk warga didinya ceuanh eta teh di culik wewe gombel.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5574", "text": "Abdi sok ngiringan give away dessert by Najla dina Tiktok. Carana gampang, kur follow, like, jeung komen hungkul dina tiktokna. Hadiahna teh nyaeta dikiriman dessert ka tempat urang. Abdi teh sering pisan komen dina unggal postingan tiktokna. Biasana emang dipilih acak ku Mba Ala na. Kabeneran pisan dina postingan terbaruna nu ngeunaan dessert anyar, abdi kenging pisan. Ditag ku Mba Ala sabab kenging dessert eta jeung bakal dikirim ka bumi. Abdi awalna mah teu percaya, asa bohongan, rapi pas dessertna dugi ka bumi, wih beneran geuning ieu teh. Alhamdulillah bungah pisan. Jadi abdi tiasa nyobian dessert by Najla nu diimpi-impikeun ti baheula.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "693", "text": "Aya sumur heubeul disabudureun imah nu pas digali jeung diberesihkeun ku warga teh geuningan eusina harta karun. Harta karun ieu mangrupa ratusan manik-manik ti abad ka-8. Pas keur ngaberesihan sumur, di sisi sumur manggih manik-manik dina jerona 1,5 meter. Sempet diantepkeun pas ngeduk sumur teh lantaran hujan. Jeung loba pisan batu bata beureum dina jero dua meter teh. Warga ngaberesihkeun sumur saeutik-saeutik, tiap juru diberesihkeun tina taneuh. Di jerona sumur 2,5 meter ti permukaan taneuh eta katinggali buleud. Bahan batu bata beureum ukuranna gede nu lembut, dijero sumur teu manggih cai. Pas apal eta harta karun, warga reuwas lantaran tadina niatna rek ngagali sumur kalakah meunangkeun harta karun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "387", "text": "Ngucapkeun wilujeng paturay ka babaturan lain hal anu babari jang dilakukeun, tapi eta mangrupa hiji hal nu kudu dilakonan loba jelema ti waktu ka waktu. Bisa ngucapkeun wilujeng paturay make kado, kadona nyaeta bisa ngeunaan album foto sobat-sobatan. ku cara ngumpulkeun loba foto nu keur jeung babaturan salila mangtaun-taun. Lamun boga foto digital, cetak kabeh kana kertas foto tuluy gunting. Atawa bisa oge nyieun gelang jang leungeun tandana sobat-sobatan. Tinggal indit ka toko karajinan jeung meuli sababaraha benang border, tuluy kepang dina pola anu warna-warni. Nu terakhir bisa mere babaturan sapaket jang perawatan manehanana ulah poho dibungkus ku kado atawa totebag dina wadah paketna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6364", "text": "Tilu hal nu bisa dilakukeun mun kaeraan sabab salah ngageroan jelama. Nu kahiji nyaeta cicing, api-api teu ngageroan. Tong gugup, natural we ekspresina supaya teu disangka ku batur. Nu kadua nyaeta api-api ngobrol jeung batur, supaya teu kaeraan teuing pas jalma nu digeroan na ngalieuk. Api-api ngobrol we jeung batur supaya teu era teuing, seura seuri we saeutik mah. Nu katilu nyaeta hindari tatapan matana. Mun batur ngalieuk, urang tong daek dilieuk, hindari tatapan matana sabab bisa mantak disangka ngageroan mun nempokeun mah. Mantakna, tingkahna kudu sanatural mungkin, ulah katingali pisan jiga nu ngahindar. Kudu kalem jeung tenang ulah gurunggusuh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3342", "text": "The crotch of jeans anjeun kakeunaan sagala rupa karuksakan kaasup stretching, chafing on thighs, sarta seams improperly-timed. Ieu mangrupikeun tempat anu paling umum pikeun cimata, boh anu alit sareng ageung. Gantina miceun pasangan jeans ruksak, aya sababaraha cara pikeun ngalereskeun liang. 1\nPotong benang leupas tina bagian anu ruksak. Anjeun tiasa ngalereskeun pinhole tanpa patch a, cukup ku jahit sisi pinhole atawa cimata leutik aman babarengan. 2. Thread jarum jeung nyieun cangreud ketat. Nyieun cangreud dina tungtung buntut tina benang bakal nahan benang dina lawon nalika anjeun ngamimitian ngaput. 3\nJahit sisi liang pikeun nyegah langkung seueur benang kabur. Pastikeun anjeun teu ngaput deukeut teuing ka ujung liang ngabalukarkeun leuwih benang kaluar tina lawon.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3352", "text": "Kentut urang sering bau endog busuk. Éta sabab kentut atanapi gas anu urang leupaskeun ngandung zat sulfur. Walirang anu ngabalukarkeun bau, sakumaha anu dikandung dina walirang. Najan kitu, salian ti zat walirang, kabiasaan goréng urang ogé ngabalukarkeun bau kentut. Di dieu aya kabiasaan goréng anu urang kudu nyingkahan. 1. Dahar di Rush a. Duh, pas sakola aya les, teu buru-buru dahar beurang, deh. Lamun nyanghareupan kaayaan kitu, urang biasana boga waktu saeutik pikeun dahar beurang. Hasilna, urang dahar rurusuhan. Muhun, dahar gancang teuing sabenerna bakal nyieun kentut urang bau, lo. Langkung gancang urang tuang, langkung seueur hawa asup kana awak. 2. Mamah. Permen karét téh ngeunah sabab rasana amis. Sanajan kitu, saha sangka, tétéla yén permén karét bisa nyieun kentut urang bau. Utamana lamun urang mamah lila nepi ka amisna leungit.\r\nKawas dahar rurusuhan, permén karét ogé bisa nyieun loba hawa kana awak.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8552", "text": "Abdi hilap ngerjakeun PR. Kuring nyoba tetep tenang sarta menta idin pikeun ngalakukeun pagawean di imah nalika kuring balik ti sakola. Guru kuring perhatikeun kaayaan kuring sareng masihan kuring kasempetan pikeun ngalakukeun PR kuring dumasar kana jadwal anyar. Kuring ngarasa lega sareng nganuhunkeun ka guru kuring anu ngabantosan kuring ngatasi kaayaan anu ngerakeun ieu. Ayeuna, kuring diajar janten langkung teratur sareng mastikeun yen kuring sok ngalaksanakeun PR dina waktosna. Kuring oge diajar kirang merhatikeun naon anu dipikirkeun ku batur sareng percanten ka diri sorangan. Kuring yakin yen kaayaan sapertos kieu bakal kajadian deui, tapi kuring siap pikeun nungkulanana sareng diajar tina pangalaman eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8496", "text": "Rafi sakola di tempat anu rada jauh ti imahna. Anjeunna kedah naek beus kanggo mudik ti bumi ka sakola. Keur jauh ti imah kadang bisa jadi teu merenah. Contona, Rafi pernah ngarasa nyeri beuteung lantaran hayang bubuara tapi kudu naek beus panjang nepi ka imahna. Sapanjang perjalanan anjeunna nahan rarasaan pikeun teu miceun hajat gede. Awakna oyag-oyag jeung kesang tiis ngeclak sakujur awak. Waktu rek turun manehna teu ngahaja hitut nepi ka kabeh nu aya di beus ngalieuk ka manehna. Sakedapan manehna ngarasa era utamana ku supir angkot ngabarakatak manehna waktos rek mayar ongkos. Kabeneran eta ngan ukur hitut sareng henteu ngantep kokotor anu dicekelna kaluar.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4465", "text": "Ayeuna mah patugas pramugari henteu ngan aya di pesawat jeung kareta hungkul, tapi oge aya patugas pramugari dina bus jarak jauh. Beda na lamun biasa patugas pramugari di kateta atawa pesawat lobaa n ari patugas pramugari bus mah saeutik ngan ukur saurang atawa dua urang kusabab bus pan leutik jeung deui anu aya pramugari na mah kelas bus anu eksekutif, siga anu keur ku urang di tumpakan tujuan jakarta ka jember. Saperti biasa geus mangkat pramugari mere urang kabeh dahareun jeung cai. Urang cicing anteng dina bus nepi ka aya bapa bapa geus kolot ujug ujung nyarekan patugas pramugari na kusabab maneh na ceunah geus menta kopi ti tatadi, tapi teu wae di pangajieunkeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5296", "text": "Tos opat taun lamina Mega jeung Lista babarengan. Wawuh jeung akrab ti mimiti lebet kuliah dugi ka beresna. Hampir unggal poe boga kagiatan babarengan, jeung deuih kamana-mana duaan wae. Saprak aya Covid-19, Mega jeung Lista kudu uih ka rumahna masing-masing. Duka kudu nepi ka iraha ieu wabah teh leungit atawa beresna. Ti saprak harita, hampir dua taun Mega jeung Lista teu pependak langsung, ngan ngandalkeun tina hape hungkul. Rarasaan Mega meuni asa sedih papisah jeung babaturan deukeut na, asa kosong kahirupannana. Biasana kamana-mana duaan, ayeuna kudu sorangan. Biasana mun nanaon aya nu maturan, ayeuna kudu diajar mandiri. Komo mun inget kana kagiatan mah, asa tiiseun asa leungiteun. Mudah-mudahan we ieu wabah teh tereh bisa dikendalikeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9203", "text": "Bapa kuring mah sok ngadongengkeun kajadian nu pikaseurieun, padahal mah lamun ceuk kuring rada jijik oge. Jadi waktu bapa kuring keur ngora, adina atawa paman kuring keur nyieun sangu goreng pikeun manéhna. Nalika sangu goreng geus siap, bapa kuring ngadahar jeung ngarasakeun eta sangu goreng. Tapi bari ngunyah bapa teh ngarasa aya benda anu rada teuas sarta hésé pisan dikunyahna. Tuluy bapa kuring ngaluarkeun eta tina mulutna jeung ningali eta yen teh hansaplast atawa plester luka. Bapa kuring langsung ngamuntahkeun sesa sangu goreng anu aya di jero mulutna. Bapa nanya ka paman naha aya plester dina sangu gorengna, tetela paman kuring kakara sadar yen plester di leungeunna geus leungit. Nalika kuring ngadéngé carita eta, kuring seuri tapi kuring ogé rada jijik sabab hartina kadaharan bapana kotor jeung aya loba kuman tina eta plester.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5946", "text": "Abdi pernah gaduh pangalaman nu teu bisa pisan dipohokeun, nyaksian maot pun Bibi di rumah sakit. Jadi, pun Bibi teh tos tilu bulan dirawat di rumah sakit sabab koma saprak kacilakaan. Hampir unggal poe abdi nyempetkeun jeung ngalongok kaayaan Bibi. Hiji poe, pas abdi nuju ngendong ngajagaan Bibi, abdi reuwas pisan sabab ningali Bibi engap-engapan nafasna, matana bolotot kaluar tapi titingalianna teu puguh, leungeun jeung sakujur awakna kaku teu bisa digerakkeun, ngan katingali rarayna hungkul. Abdi harita gogorowokan manggil dokter sabab bisi aya sasuatu kana Bibi. Teu lila dokter datang, tuluy mariksakeun. Geus kitu mah eungapna geus eureun, matana geus nutup, dokter nyatakeun yen Bibi tos pupus. Abdi sedih pisan harita sabab kabagean ngajagaan sorangan, teu aya deui kulawaga nu ngabaturan sabab karek gantian baralik. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8203", "text": "Amel teh tos ageung sieun keneh nu ngaranna disuntik. Ayeuna Amel keur didokter ngantosan giliran disuntik vaksin tetanus. Sawaktos ngantosan manehna teu tiasa tenang, jantungna ngaderegdeg teu eren-eren, tapak leungeunna baseh ku kesang, panonna ningali kaditu kadieu sapertos pokokna kaciri teu tenang pisan. Saacan giliran Amel, manehna nempo batur nu keur disuntik. Ningali batur disuntik Amel tos teu kiat hayang balik teu janten disuntik vaksin, nanging ngaranna langsung dipanggil tur Amel menang giliran disuntik. Amel teu wani nempo jarum suntikna manehna terus-terusan ningali ka luhur. Jos jarum suntik nojos leungeun Amel, manehna teu kiat nahan cai panon tur ceurik didinya oge.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8170", "text": "Maot teh tangtos pasti dialaman ku kabeh jalma. Saacan maot teh urang bakal ngarasakeun nu ngaranna sakaratul maut. Sakaratul maut teh tos diserat dina kitab quran bakal karasa nyeuri pisan teu ka tulungan tur ngajieun capek. Rasa nyeuri na bakal berkali-kali lipat leuwih nyeri upami salila urang hirup mineng ngalakukeun maksiat sareng dosa. Rasa sieunna kabina-bina, sieun kusabab bakal ninggallkeun dunya nu pinuh ku kanikmatan sareng sieun upami amalan nu tos dikumpulkeun di dunya teu cekap menangkeun rido Allah di aherat. Upami keur sakaratul maut teh kabeh kalakuan urang di dunya tiasa kainget perkawis eta teh janten makin nyingsieunan urang upami seueur ngalakukeun maksiat di dunia.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5670", "text": "Tilu hal nu jadi penyebab sasaorang gampang pisan ambek. Nu kahiji nyaeta stres atawa depresi. Pamikiran nu leuwih teuing kana suatu hal bisa micu depresi atawa stres dina otakna. Sabab otakna pinuh ku hal negatif jeung teu bisa dikendalikeun, jadilah muncul rasa jengkel ka sagala hal nu aya. Nu kadua nyaeta kurang sare. Biasana mun jalma kurang sare mah sok babari pisan ngambek. Hal ieu disebabkeun karena emang kabutuhan dasarna teu kacukupan, jadi ngaruh kana emosina. Nu katilu nyaeta boga gangguan kajiwaan. Biasana jalma nu sering ngambek teu pararuguh teh sabab boga gangguan kajiwaan. Dirina teu bisa ngontrol otak jeung awakna dina ngahadapi suatu hal. Tah nu kieu nu micu gangguan mental teh, jadi ngedalkeun na ka sagala nu aya.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9240", "text": "Saptu minggu kamari kuring hoyong kaluar sareng réréncangan kuring, waktos éta kuring nganggo baju sweater pink poék sareng kulot hideung. Urang jalan-jalan ngurilingan kota Bandung, ka Braga jeung ka Masjid Agung ogé. Basa keur jajan di sisi jalan, ujug-ujug aya lalaki nyepeng leungeun kuring, padahal kuring teu nyaho saha manéhna. Ari pek teh manéhna ogé reuwas pas manéhna nempo beungeut kuring. Kuring bingung waktos éta, sabab naha anjeunna nyekel leungeun kuring. Ujug-ujug di tukangeun kuring aya wanoja anu papakeanana sarua pisan jeung kuring, tuluy manehna ambek ka lalaki anu nyekel leungeun kuring. Tétéla lalaki éta teh salah jalma, dipikirna kuring teh kabogohna sabab manéhna maké baju anu sarua siga kuring. Kuring sareng rerencangan angkat weh ti dinya, sanaos teu salah tapi kuring tetep éra kusabab seueur anu ningali kajadian ieu.\r", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2531", "text": "Upami kuring beunghar nimukan harta karun sapertos Rothschild ngagaduhan kabeungharan anu teu terbatas, teu kaukur, kuring bakal:1. kuring bakal nyayogikeun lowongan padamelan di pabrik sareng perusahaan anu kuring mésér tadi. Teu hilap, abdi badé ngadegkeun sakola minangka tempat barudak pagawé abdi. Di sakola eta guru-guru jeung guru-guru bakal ngajarkeun ngeunaan tatakrama, pentingna ngalakukeun hal-hal anu dumasar kana kamanusaan, literasi finansial, jeung sajabana, lain ngan ukur matematika, fisika, jsb. Dipiharep mata rantai kamiskinan bisa dipegatkeun ku cara nambahan panghasilan jeung anak-anakna meunang atikan holistik, gaya kuring.\n2. Kuring baris ngabentuk tim peneliti jeung tim desain produk pikeun néangan cara sangkan budaya Indonésia teu punah, bisa populer, para nonoman teu isin kana budaya daérahna, malah budaya bisa napel kana jati diri. Sangkan bisa terus aya abadi. Kuring ngarasa sedih pikeun nonoman anu langkung percaya diri kana basa asing tibatan basa lokal. Basa asing kedah tiasa, tapi basa daérah ogé henteu kedah ditinggalkeun. Ayeuna, upami hoyong diajar S3 Sastra Sunda kedah ka Walanda margi teu aya di Indonesia. Hal ieu kacida hanjelu, urang deungeun leuwih mentingkeun kalestarian budaya urang batan urang sorangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2107", "text": "Adi Kuring teh penyuka Kpop, teu pati jauh manehna pernah carita ngenaan bangga meunang kasempetan pikeun gabung dina fanmeet Kim Jaehwan. Rasana kitu? Enya, bagja pisan. Alesan na adi kuring milih gabung dina fanmeet Jaehwan nyaéta kusabab kuring Wannable (fans Wanna One) sareng nalika minggon kahiji angkat ka Indonésia, manehna henteu acan janten fas na. Karunya teu ti dinya adi kuring kaduhung jeung boga cita-cita nonton fanmeet unggal 11 anggota ker itu nu ka Indonesia. Tapi dina waktos éta, ngan Ha Sungwoon sareng Kim Jaehwan ngan ukur bédana 7 dinten antara dinten fanmeet, adi kuring untungna nyipak sareng émut yén sanés budak sultan anu tiasa ngurilingan fanmeet / konser sakumaha anu dipikahoyong. reueus sih. Naha reueus? adi Abdi masih kuliah sareng masih naroskeun perkawis kauangan ka kolot. Tapi pikeun urusan kahayangna, salah sahijina nyaéta kpop, manehna ngumpulkeun sorangan sareng henteu naroskeun ka kolot sabab urang terang jumlahna henteu sakedik. Ku kituna manehna ngumpulkeun duit unggal minggu. Sareng Alhamdulillah mimpina dugi sateuacan Juni.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5560", "text": "Tilu tips supaya teu katinggaleun bus. Nu kahiji nyaeta siapkeun barang nu rek dibawa ti kaanggalanna, sapoe samemeh indit teh kudu geus di packing. Tujuanna supaya teu aya barang nu tinggaleun, oge supaya teu riweuh pas rek indit. Nu kadua nyaeta hudang leuwih isuk, tong nepi ka hudangna kabeurangan. Hudang leuwih isuk teh salian bisa santai, oge bisa ngecek deui barang bisi aya nu tinggaleun. Dina indit na oge deuih bisa leuwih nyantai, teu rusuh. Nu katilu nyaeta indit ka agen busna sajam samemeh jadwal kaberangkatan, supaya ngaantisipasi katinggaleun bus. Jadi, mending keneh nungguan dari pada katinggaleun. Tong poho oge sarapan heula samemeh indit.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6309", "text": "Basa dinten minggu teh abdi beberes etalase paranti nyimpen emameun di dapur. Keur nyalse keneh teh abdi ngahaja ngelapan kacana, tuluy meresan dahareun na bari nyortir. Pas aya kotak tina kardus, abdi langsung muka eta kardus. Geus dibuka teh singhoreng aya dahareun nu geus lila tapi poho teu didahar. Aya kue bolu nu geus bulukan pisan jeung teu layak dikonsumsi. Abdi nembe inget yen bolu eta teh pamasihan ti pun bibi basa minggon kamari syukuran. Teu inget sama sekali jadi teu dikaluarkeun tina etalase. Pas kardusna dibuka ge geus bau jamur nyelebreng ka mana-mana, hapeuk pisan jeung mantak seueul ngambeuna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7305", "text": "Salah sahiji harta karun dipanggihan di Desa Wonoyobo, Kecamatan Jogonalan, Kabupaten Katen, Jawa Tengah. Poe eta, sawah milik Ny. Cipto Suwarno keur digali ku Witomoharjo jeung lima urang anu sanesna. Maranehna ngagali taneuh pikeun tujuan ngawangun saluran irigasi sangkan cai bisa ngocor ka sawah. Sabot penggalian tos nepi ka jerona 2,5 meter, pacul Witomoharjo ngabadug hiji benda teuas nu dianggap batu. Sanggeus digali taliti nyatana eta teh kendi keramik badag ti Cina. Sanggeus dibuka, di jero kendi eta loba disimpen artefak emas. Sanggeus manggihan kendi eusi emas, Witomoharjo langsung ngalaporkeun pamanggihna ka aparat desa satempat. Sanggeus digali deui, aya dua kendi sejen nu kapanggih.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5568", "text": "Amprok jeung babaturan sakola jadi salah sahiji kabungahan nu teu kakira nilaina. Komo mun amprokna dina waktu geus lila pisan papisah mah. Heg geus mareunang gawe nu merenah. Biasana beres lulus sakola teh sok hese pisan jang amprok jeung babaturan, dina reuni oge sok tara lengkap kabeh daratang, sabab aya we nu sibuk ku pagawean nana teh. Padahal, reunian teh jadi salah sahiji tempat silaturahmi nu diarep-arep pisan saberes lulus ti sakola teh. Amprok jeung babaturan teh bisa jadi bahan obrolan nu bisa nyairkeun kasono ka baheula basa masih babarengan keneh. Sacara teu langsung jadi ajang saksi perkembangan hirup urang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7525", "text": "Mutuskeun kanggo operasi janten kaputusan anu hese pisan. Tos lima taunan rerencangan abdi ngarasa nyeri dina lengeun anu ngaganggu kagiatan sapopoena. Asalna mah manehna ngan sasakali hungkul ngarasa nyeri, tapi akhir-akhir ieu manehna ngeluh nyeri unggal poe, pas bobo oge tetep karasa nyeri. Lima taun ka tukang sabenerna manehna kantos kacilakaan motor anu nyebabkeun lengeunna nyeri nepikeun ayeuna. Pas diparios ka dokter disarankeun kanggo operasi wae lantaran lamun dicicingkeun oge bakal nyeri saumur hirup. Tapi manehna sieun lantaran anu ngarana operasi mah pasti aya wae kamungkinan gagalna, manehna can siap ku kamungkinan eta, komo pas dititah tandatangan ku pihak rumah sakit. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6904", "text": "Tos lima taun rerencangan abdi ngarep gaduh murangkalih, sadaya upaya tos dilakukeun nepikeun manehna tiasa hamil jeung dinten ieu janten dinten anu diarep-arep lantaran orokna tos bade lahir. Abdi ditelepon ku anjeunna supados ngabaturan anjeunna di rumah sakit. Sateuacan asup ka ruang operasi, anjeunna ku abdi diajak jalan-jala heula sabari ngantosan mules. Anjeunna mah hoyong ngalahirkeun tanpa operasi, tapi sadayana balik deui kumaha saena supados orok jeung indungna salamet jeung sehat. Pas tos mulai ngalahirkeun abdi ngantosan di luar, sababaraha jam saatos eta abdi langsung ngadangu sora orok ceurik, abdi atoh pisan lantaran orokna tos lahir. Indungna oge salamet, abdi langsung ningal eta orok lalaki anu lucu pisan. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7334", "text": "Rerencangan abdi nyarita yen bapana salingkuh jeung awewe ngora padahal mamahna nuju gering. Abdi anu ngadangu caritana hungkul oge teu tarima jeung keheul pisan ka bapana. Padahal nu abdi apal mah bapana teh bageur jeung kulawargina teh katingal harmonis padahal aslina mah tukang salingkuh. Manehna geus sababaraha kali manggihan bapana patepang jeung salingkuhanna na tapi angger we tara tobat kalahkah beuki wani. Manehna oge geus sababaraha kali ngabejaan bapana tapi kalahkah manehna nu diambekkan. Manehna oge sempet menta tulung ka abdi kanggo ngabejaan salingkuhanna supados tobat. Tapi abdi teu hoyong pipilueun dina masalah batur janten abdi mah cicing we teu beja nanaon.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9218", "text": "Waktu harita kuring jeung adi kuring keur nganjang ka perpustakaan daerah nu aya di deukeut imah kuring. Saméméh indit, kuring jeung adi kuring teh karek bérés dahar seblak. Pas di perpus adi kuring keur néangan buku dina rak nu rada jauh ti posisi kuring. Sabot keur jongjon maca buku, mimitina mah burih teh damang teu kunanaon, tapi lila-lila beuteung karasa nyeri jeung meni hayang kentut. Kumargi abdi teu hoyong kentut di jero rohangan, abdi niatna rek kaluar heula ti rohang baca. Tapi waktu kuring nangtung, ujug-ujug si kentut teh kaluar sorangan, ditambah sorana teh rada badag. Sakedapan saréréa nu aya di ruang baca melong ka kuring. Kuring ukur bisa seuri keuheul, tuluy nyimpen buku nu keur dibacana kana rak buku, tuluy kaluar ti rohangan pedah ku era. Kuring langsung ngawartosan ka adi kuring yén kuring aya di luar rohangan sareng hoyong heura uwih ka bumi.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4416", "text": "Macet emang ngarietkeun riweh jeung ngajien emosi komo lamun di jam jam sibuk lamun isuk isuk kabeh paciweh paburu buru rek mangkat ativitas, boh anu rek sakola atawa anu rek mangkat di gawe, kabeh nyampur jadi hiji di jalan jalan jeung angkutan umum. Kabeh jelema didinya geus pasedek sedek hayang buru buru nepi ka tempat tujuan na. Macet di kota kota besar saperti jakarta emang sok luar biasa lila jeung ruwet na, manusa kabeh anu boga kapentingan masing masing dina waktu anu sarua, ngajieun jalanan pinuh jeung ngajieun macet. Batur paburu buru can teu sora sora klakson anu makin ngajieun rungsing jeung nyieun emosi naek jadi bawaan na hayang ambek ambekan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9243", "text": "Kuring boga hiji pangalaman ngerakeun pisan. Harita kuring keur datang ka ondangan jeung salaki kuring, manehna make acuk batik hejo sarua siga kuring. Pas nyampe di tempatna, kuring sasalaman heula jeung panganten teras turun ti panggung. Pas rek dahar, kuring pendak jeung babaturan SMA kuring, atuh bungah pisan hate teh. Kuring jeung babaturan ngobrolkeun loba pisan picaritaeun, geus lima taun teu pendak jeung babaturan teh. Sabot kuring keur ngobrol teh, salaki kuring jadi nyokot dahareun sorangan. Pas kuring geus beres ngobrol, kuring neangan salaki kuring. Tetela manehna aya di cakeut panggung, nuju ngobrol jeung babaturanna oge. Kuring teh nangkeup weh leungeunna, ari pas ngabalik kuring reuwas, kuling salah tangkeup. Eta teh lain salaki kuring, tapi batur anu acukna sarua jeung salaki kuring, geus mah bajuna sarua, buukna sarua, jeung gendutna oge sarua. Pedah ku era, kuring lumpat weh neangan salaki kuring, epek manhena teh keur ngaroko diluar. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5943", "text": "Mun apal babaturan aya nu phobia, ulah nepi ka disingsieunan sabab dampakna bisa bahaya pisan. Jalma nu ngarasa phobia teh apal yen manehna gaduh rasa sieun nu kaleuwihan tapi manehna teu bisa ngalakukeun nanaon. Lamun nepi ka disingsieunan teh bakal ngarasa reuwas jeung leuleus. Malahan nu leuwih parah mah bakal ngarasa depresi sabab saking ku sieunna kana objek tertentu. Mantak, mun aya nu phobia teh ulah nepi ka dibere kasieun sabab engkena karunya ka awakna bakal ngarasa capek jeung beban pikiran. Komo mun leleb teuing mah bakal jadi bahan stress jeung bakal hese mun amprok jeung batur samam ngarasa trauma. Jadi, yuk urang ngartikeun jalma nu phobia! Ulah nepi ka kalah nambahan bebanna!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7216", "text": "Di unggal sakola pasti aya wae carita anu pikasieuneun. Seeur oge carita-carita anu teu jelas sumberna. Cenah mah sakola ieu teh tilas rumah sakit, tilas kuburan, jeung sajabana. Abdi mah tara percaya kanu kararitu. Tapi hiji poe basa ngantosan dijemput ku pun bapa, abdi sareng rerencangan diuk di lorong sakola anu geus poek lantaran tos teu aya sasaha. Langit oge geus poek kusabab sakedeung deui magrib, kabayang pisan keeungna. Di sakola teh aya hiji ruangan anu ceuk barudak mah aya makhluk anu sok nyingsieunan. Pas ngaliwatan ruangan eta, abdi jeung rerencangan lalaunan mapah, tapi urang duaan reuwas lantaran jol aya nu barereum dina jandela ruangan eta.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5562", "text": "Biasana mun bus keur istirahat makan siang di restoran teh sok loba nu kaluar jang ka cai, sholat, atawa jang makan siang oge. Tah teu saeutik oge aya kajadian nu sok tinggaleun dina tempat nukieu. Kaayaan WC nu ngantri, sholat nu tempatna leutik jadi ngantri, oge tuang nu lila jadi fator nu nyebabkeun katinggaleun bus. Mantak, mun naek kendaraan umum jiga kitu mah mending cai aan we sorangan. Misalna mun rumasa makan na sok lila, meuli pop mie we supaya bisa dimakan dina bus, jadi moal tinggakeun. Oge mun ka caina ngantri, wudhu heula we laksanakeun sholat tuluy beres eta nembe ka cai. Sabab, bus mah moal nungguan urang, pasti bakal indit sasuai jadwal. Jadi, yuk ah urang nu kudu leuwih sigap!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2141", "text": "Perusahaan baheula kuring antukna ambruk, sareng sadaya karyawan anu di PHK kalayan sagala hakna (gaji pesangon) heuteu dibayar saluyu sareng peraturan. Tapi kuring pasrah we lah. Upama dipikir-pikir, upama pausahaan masih kénéh mampuh mayar pesangon pikeun ratusan pagawé, nu jumlahna lain saeutik, naha duitna teu dipaké pikeun salamet sangkan bisa terus beroperasi? Leres, jawabanana sabab biaya tambihan na luhur. Dina jaman anu teu pasti ieu, seueur patarosan anu kedah dijawab nu tahapna kos kiyeu :.\n1. Sabaraha lami pandémik ieu?\n2. Pasokan sareng paménta turun nyirorot salami pandémik, saatos réngsé, naha biaya produksi urang tetep sami sahenteuna, atanapi bakal ningkat sapuluh kali?\n3. Saatos pandémik réngsé, bakal pasokan sareng paménta urang normal deui?\n4. Sabaraha ageung ukuran pasar saatos pandémik ieu réngsé?\n5. Saatos pandémik ieu réngsé, naha bisnis urang bakal leungit?\n6. Naha investor bakal tetep sareng hiji visi sanaos pandémik ieu réngsé?\nÉta jawaban anu teu gampang dijawab, sabab teu aya anu terang jawabanana. Biaya tambahan kedah dibayar, henteu masalah upami kaayaan kauangan perusahaan rugi atanapi untung, sabab éta biaya ngajalankeun usaha anjeun, henteu aya karyawan, henteu produksi, leres?", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8175", "text": "Saha wae ge upami mimiti ningai jurig tangtos bakal kasieunan. Sieun ka jurig teh sieun nu disebabkeun kuteu kanyahona manusa. Manusa teh seueur teuing ngadangu atanapi lalajo perkawis-perkawis horor janten ngamunculkeun jurig nu tiasa ditempo ku panon. Upami nempo jurig teh jantung sapertos eren, pikiran nyobi ngaproses naon nu keur ditempo, awak ngaderegdeg mulai gerak teu jelas. Aya dua respon nu biasana dilakukeun ku manusa upami sieun nempo jurig, lumpat satarik-tarikna atanapi cicing ditempat teu bisa gerak. Nanging aya oge babaraha manusa nu teu kiat kusabab sieunna nika keun pingsan sawaktos ningali jurig. Saatos ningali jurig teh manusa bakal leuleus tur beungeutna pias. Nu parah mah nika keun geuring berpoe-poe saking sieunna nempo jurig.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9551", "text": "Deni ngarasa sedih pisan. Bapana maot tadi peuting sanggeus gering salila sababaraha minggu. Deni nyaah pisan ka bapana sarta ngarasa teu aya nu bisa ngagantikeun anjeunna. Kasedih anu dirasakeun sakitu jerona nepi ka teu bisa nanaon. Manehna ngan bisa diuk di kamar bari ceurik ngarasa hatena peurih ditingalkeun ku jalma anu paling manehna pikanyaah. Deni can kungsi ngarasa kaleungitan kitu. Bapana salawasna aya pikeun anjeunna, nyorong anjeunna nalika anjeunna ngalaman kasedih atanapi kasulitan. Ayeuna, bapana geus euweuh di gigireunana. Deni ngarasa kosong teu nyaho naon deui nu kudu dilakukeun. Indungna ngabejaan ka Deni, yen bapana geus aya di alam anu tenang. Tatapina, Deni masih keneh can bisa narima yen bapana geus moal bisa dipanggihan deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9239", "text": "Kuring kungsi aya acara kulawarga, aya batur nu salah ngageroan kuring. Harita kami salaku kulawarga besar maké baju nu sarua, sabab urang keur aya acara kulawarga sarta ambéh urang difoto bakal alus jeung rapih. Pas keur dahar, ujug-ujug aya budak leutik nangkeupan kuring ti tukang bari nyarandé kana tonggong kuring, manéhna bari nyebut ngaran indungna sababaraha kali. Kuring reuwas sabab adi kuring parantos ageung sareng teu aya anu sering ngalakukeun éta ka kuring. Kuring ngalieuk ningali saha éta budak leutik. Adina kuring jeung indung kuring geus nahan seuri maranéhna saprak maranéhna terang éta kawas anak salah sangki ka kuring, disangkana kuring teh indungna padahal mah lain. Pas eta budak leutik nempo kuring, manehna reuwas sarta langsung ngaleupaskeun leungeunna. Tetela indungna budak teh teu jauh ti kuring, manehna nahan seuri alatan kabiasaan anak na. Kuring seuri ka budak leutikna, jeung budak leutikna indit ka indungna alatan ku éra. Kuring oge seuseurian jeung mamah jeung adi kusabab kajadian tadi. Kuring oge rada isin, tapi teu masalah sabab untung jalma ieu masih kulawarga ageung kuring.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2574", "text": "Budak Digebug ku Babaturan? Ieu Anu Kudu Dilakukeun Kolot. Sakumaha anu ditepikeun ku Ikhsan Bella Persada, M.Psi., Psikolog, Mamah jeung Papah bisa ngadeukeutan heula ka budakna sabada humandeuar ditarajang ku babaturanana. Tanya anjeunna naon anu lumangsung sarta kumaha parasaan anjeunna. “Pikeun murangkalih disahkeun heula tina naon anu dirasa, naha sedih, ambek, atanapi sieun,” saur Ikhsan. Lamun anak anjeun ngabejaan Anjeun naon anu lumangsung, dengekeun jeung polah kabuka, sanajan carita hurts. Ngarojong anak sacara nétral, ulah nyalahkeun manéhna atawa babaturanana. Nu katingali, lamun kolotna ngaréaksikeun kuat teuing kana carita barudak, budak leutik maranéhanana bisa eureun ngabejaan carita sieun nu ngajieun sewot Mama-Papa.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4324", "text": "Waktu nyaeta jadi bagean terpenting lamun rek naek kendaraan umum saperti kareta, pesawat atawa bus. Urang kudud bisa tepat waktu lamun erek naek kendaraan umum husuna lamun naek pesawat, soalna lamun nepi ka katinggaleun urang anu bakal rugi, geus mah rugi tina duit tiketna, rugi oge lamun nepi ka telat nepi ka tempat tujuan na reuwas bisi di careken atawa kukumaha di tempat anu ku urang rek di tuju. Aya feui karugian dina tanaga pasti, urang geus sibuk geus buru buru mangkat ti imah geus sasah si bebereug waktu nepi ka lumlumpatan supaya nepi ka bandara atawa terminal tepat waktu, tapi lamun geus nepi urang katinggalen rasana pasti geus kuciwa jeung capek pisan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4407", "text": "Di Indonesia teh nagara hukum di indonesia teu menang aya anu ngalakukeun kaerasan boh ngagebug atawa nenggeul jeung kakerasan sejena, keur ngalindungan eta aya pasal anu nerangkeun yen kekerasan ulh nepi ka di lakukeun, lamun di lakukeun pasti aya hukuman nana. Kabeh masarakat di indonesia sama di mata hukum jadi sasaha oge boga hak hirup aman jeung nyaman teu meunang di bere kekerasan, lamun aya anu di perlakukeun kakerasan urang ulah daek cicing urang kudud ngambek jeug teu tarima, kusababa ya pasal anu ngalindungan urang. Aya sababaraha pasal nngatur tentang kekerasan, aya kekerasan terhadap perempuan dan anak penganiayaan jeung pasal kekerasan dalam rumah tangga. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8996", "text": "Nalika urang sieun dituturkeun ku urang asing, aya sababaraha cara pikeun nungkulanana. Kahiji, coba tetep tenang. Ieu meureun sesah tapi ulah ngantep jalma éta nyaho yén anjeun sieun atawa gugup, tetep waspada ka jalma éta sarta lingkungan sabudeureun anjeun, tapi urang bisa ngalakukeun hal-hal anu bisa mantuan anjeun mikir jernih kayaning maén kalawan seleting jaket, tungkul jeung pura-pura keur ngaitkeun tali sapatu atawa naon bae anu nyieun urang tenang. Candak sababaraha napas pelan sarta mikiran rencana. Kadua, perhatikeun sabudeureun anjeun sarta sabudeureun lingkuan. Upami aya anu aneh, dengekeun naluri anjeun boh gelut atanapi lumpat. Upami anjeun ningali jalma éta, perhatikeun detil naon waé anu anjeun émut supados anjeun tiasa ngajelaskeunana ka batur atanapi pulisi engké, langkung detil pedaran anu anjeun tiasa masihan, langkung saé, sareng tetep waspada.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4337", "text": "Ceuk papatah ceunah di dunya ieu eweuh anu kabetulan pasti geus Allah rencanakeun, daun murag oge Allah geus rencanakeun, sagala oge eweuh anu luput tina perhatosan Allah jadi eweuh anu kabetulan. Lamun daun murag oge geus di rencanakeun ku Allah komo deui papangihna urang jeung babaturan anu geus lila teu kontakan komo deui papanggih. Allah pasti geus ngarencanakeun sakabeh ieu ku endahna. Rencana Allah mah luar biasa, pangalusna jeung teu di sangka sangka. Allah apal pisan yen urang teh keur sono ka babaturan anu jauh pisan teu boga kontak na tapi hayang pisan papangih, akhirna ku Allah di panggih keun make cara anu ku urang teu sangka sangka, urang na mah pasti reuwas da teu mikir bakal kajadian kitu. Tapi Allah geus ngatur sagalana. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5306", "text": "Basa mimiti ngekost mah, abdi ngarasa leungiteun pisan. Biasana unggal poe teh aya wae barudak nu ameng ka imah, ayeuna mah didieu meuni tiiseun. Asa sedih pisan, asa ditinggalkeun. Terus mun hoyong emam kedah nyangu heula nyalira, biasana mah langsung emam we da dipangnyangukeun. Calikna ge sorangan deuih di kostan teh, teu aya batur ngobrol pisan. Komo mimitian mah teu apal kaditu kadieu, kudu dilakonan we da kumaha deui. Kaayaan lingkunganna oge beda, biasana mah sok saling sapa, didieu mah bener-bener nanaon kudu mandiri, kudu ku sorangan. Aduh ngarumas pisan pokokna mah komo ngamimitian mah asa leungiteun na karasa pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4703", "text": "Salila ieu, anjeun tiasa sering ningali barudak anu sieun disuntik. Tetela, sieun disuntik oge bisa dialaman ku dewasa. Lamun sieun kaleuleuwihan atawa euweuh rasional, ieu disebut trypanophobia. Kaayaan ieu sacara khusus ngan ukur ngajelaskeun kasieunan jalma pikeun nyuntik jarum nalikaerek ngalaksanakeun atawa nampi perawatan medis. Sanajan kawilang umum, phobia jarum teu bisa dianggap salaku hal trivial.Alesanana, nalika aya anu sieun ku jarum, aranjeunna bisa nyingkahan masihan vaksin atawa pangobatan sanes anu nganggo jarum. Padahal lamun di tigali tina efektvitas na ngagunakaeun jarum suntikan bisa ngahemat loba waktu tibatan minum obat, di untik ngan saukur sakali lamun nginum obat kudu bekali kali sangkan cageur. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4394", "text": "Dina ayana kamajuan sosial media ayeuna salian ti loba dampak alus atawa positifna oge aya dampak negatif atawa goreng na nyaeta jadi babari bisa komentar atawa ngahina fisik batur padahal urang can pernah papangih jeung apal aslina kumaha. Jelema anu sok ngahin ahina fisik batur emang kudu wajib di tegur atawa di carekan, kusabab eta geus kaliwatan. Eta sarua jeung nijek harga diri jelema anu di hina. Matak ayeuna aya undang undang anu ngatur jeung ngalindungan di sosial media, urang salaku korban teu ngan bisa nyarekan tapi bisa ngalaporkeun sakalian sangakn jadi pelajaran yen teu menang ngahina fisik batur saengeunah na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8415", "text": "Jalma kalawan emetophobia boga hiji sieun ekstrim utah, ningali utah, atawa nyeri pakait sareng seueul. Jalma kalawan emetophobia pisan hariwang ngeunaan utah, komo tetempoan eta pingerieun. Ngan pamikiran muntah, maranehna bisa nungkulan kahariwang. Ieu pamustunganana bakal boga dampak dina kahirupan sapopoe maranehna. Contona, sieun dahar sieun utah. Anjeun oge bisa nyingkahan nyetir sabab aya kamungkinan meunang mabok kendaraan jeung ka picu utah. Kanyataanna, jalma kalawan emetophobia bisa sieun kamar mandi umum mikir yen batur geus utah dinya sateuacan. Panyabab anu paling umum nyaeta pangalaman sapertos ningali batur utah, sareng ngarespon kana waktos eta janten pikasieuneun atanapi henteu pikaresepeun. Atawa, pangalaman diutahkeun ku batur, boh dihaja boh teu dihaja. Hal ieu tiasa memicu emetophobia.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3329", "text": "Upami aya laleur paéh dina tuangeun, naha éta tiasa didahar. Upami ditaros tiasa didahar atanapi henteu? Enya bisa, koook, kadaharan anu karacunan, mun ditanya bisa didahar atawa henteu, masih bisa didahar hehehe. Beda deui upami patarosanana, naha éta kadaharan masih aman dikonsumsi atanapi henteu? Enya jawabanana tangtu henteu. Laleur mangrupakeun sumber serangga kontaminasi baktéri atawa virus. Teu nyebatkeun laleur paéh, laleur anu netep sakedap dina tuangeun saleresna henteu cocog pikeun kabersihan. Meureun urang masih bisa, tapi tangtu urang sorangan teu boga kahayang pikeun dahar eta. nah alusnamah kudu di teliti deui ngenaan dampak ti dinya, iwal ti rasa jijik jeung geuleuh nu geus aya.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2946", "text": "Kuring sieun kasalahan. Aya kecap anu nyebutkeun \"ulah sieun nyieun kasalahan\", sabenerna kuring teu satuju kana frasa éta. Anu kuring ngartos nyaéta ku henteu sieun ku kasalahan ieu kami henteu ati-ati ngeunaan kemungkinan anu tiasa kajantenan. Kuring sok sieun kasalahan sareng kamungkinan anu bakal kajadian di hareup. Kuring sieun nyieun kasalahan. Janten kasieun éta ngadorong kuring pikeun ngalakukeun sadayana kalayan ati-ati supados henteu aya kasalahan.Upami aya anu lepat, abdi moal kaduhung. Kuring moal nyalahkeun diri kuring, kuring bakal nampi kasalahan anu kuring lakukeun sabab kuring parantos ngalakukeun anu pangsaéna. Jeung hiji hal nu kudu diinget yen kahariwang jeung kasieunan pasti aya. Naon anu kuring lakukeun ayeuna henteu ngagaduhan harepan / harepan anu luhur. Laksanakeun naon anu anjeun lakukeun pangsaéna jeung nyiapkeun diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "767", "text": "Harita saenggeus beres pemilihan kepala kelurahan, urang teu milih manehna nu ayeuna jadi kepala kelurahan. Aya nu ngabejakeun yen urang teu milih manehanana, anu tungtungna mah mun aya bantuan sosial urang tara kabagi. Urang datang ka desa, soalna batur ampir kabeh kabagi bantuan sosialna ti pamarentah pusat, sedengkeun urang sok diliwat wae. Malah nu deukeut jeung manehanana nu diheulakeun dibagi teh, siga dulur-dulurna atawa kulawargana, padahal maranehna mampu. Urang menta kajelasan oge jawabna teh kalakah ngabalieur, da cenah mah urang emang euweuh bagian. Dari pada loba pacariosan, tungtungna urang balik deui ka imah bari teu meunang nanaon. Nepikeun ka rengsena turun jabatan, can pernah kabagian bantuan sosial.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4059", "text": "Pas lulus SMA urang hayang pisan kuliah di kampus negeri anu aya di jakata, sateuacan lulus ge urang atos persiapkeun sagalana jang miluan test. Urang geus ngausahakeun teu sare ngapalkeun jeung macaan buku paket anu nyambung tina jurusan anu ku urang pilih, urang milih jurusan akuntansi. Urang nyaho jurusan akuntansi teh jurusan anu di pika resep ku loba jalma, tapi urang tetep usaha meh bisa lulus test teras asup ka kampus negeri saperti anu ku urang impikeun ti bareto. Pas di test urang lancar ngerjakeun soal-soal ti nomor hiji nepika nomor lima puluh, tapi pas di nomor lima hiji ka saratus urang rada hese ku sabab soal-soalna pilihan ganda lain esai. Hasilna kaluar saminggu saenges test, pas urang nempo web na. Urang nempo ngaran urang anu di beureuman eta tandana urang teu lulus. Nilai urang ge leutik teu sesuai, urang langsung leweh di kamar teu bisa ngabayangkeun diri urang anu geus usaha nepika teu inget ka dahar jeung sare. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "779", "text": "Ulah nyebut batur ku julukan dumasar kana SARA, siga \"hey, sipit!\" Ieu bakal memecah belah bangsa jeung kerukunan di masarakat. Sanajan eta ka sapantaran anu usiana sarua jeung urang, jeung urang geus deukeut jeung manehanana, tetep ulah dilakukeun. Bisa wae maraneh adem ayem, tapi pas aya nu ngadenge tuluy ngarasa kasinggung, bisa-bisa dilaporkeun ka polisi. Cukup ku sebutan ngaran atawa nenehan weh, ulah nyinggung-nyinggung nu balukarna bisa SARA. Salian bisa kasinggung, jeung hubungan pertemanan nu kitu mah siga teu sehat, komo nu dibumbu-bumbui ku ledekan. Bisa wae katinggalina adem ayem nu disinggung teh, tapi pan hate jelema mah saha nu apal?", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8914", "text": "Aya sababaraha panyabab gugup atanapi demam panggung. Kahiji, nyaéta kurangna istirahat. Lamun awak urang kurang istirahat, utamana kurang saré, éta bisa ngabalukarkeun masalah kaséhatan séjénna. Kadua, rasa minder anu kaleuleuwihi. Teu percaya kaleuleuwihan atanapi insecure henteu saé pisan. Ieu bakal ngajadikeun urang hésé pikeun jadi jalma maju, hésé pikeun mikir kritis tur dinamis. Urang kudu ngajauhan sifat-sifat sapertos kieu, urang kedah percanten kana kamampuan anu urang gaduh, sareng teras-terasan ngajajah poténsi anu aya dina diri urang. Kusabab jalma anu percaya kana kamampuanana, aranjeunna berpotensi janten jalma anu suksés. Katilu, gugup ogé tiasa disababkeun ku beuteung kosong. Coba dahar saméméh datang ka hiji acara, lamun beuteung kosong bakal ngakibatkeun nurunkeun tingkat fokus urang, sarta bisa ningkatkeun rasa gugup.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7799", "text": "Kahiji kalina abdi nganggo kamar cai anu aya di rumah sakit. Rumah sakit ieu teh kaasup rumah sakit anu tos kolot pisan. Rumah sakit ieu oge mangrupakeun rumah sakit anu pang badagna di Jawa Barat, matak teu heran lamun kamar cai na oge geus raruksak jeung bau lantaran dipake ku seeur pisan jalmi. Basa abdi nuju ngalongok rerencangan anu gering, abdi kapaksa kedah ka kamar cai di rumah sakit lantaran geus teu kiat pisan hoyong ngising. Pas abdi ningal eta kamar caina bau hangseur pisan, sigana tos dipake teh teu dibalanjuran deui. Pas abdi banjur oge tetep aya bauna, jigana mah dina tembokna aya tilas ngising batur. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7879", "text": "Basa abdi nuju ngobrol sareng rerencangan, jol aya hiji rerencangan abdi anu ngomong ka kuring yen baham kuring bau. Abdi anu tadina cuek janten era, salila kumpul jeung rerencangan, anu tadina seeur ngomong janten cicing lantaran bisi anu sanes kabauan. Rerencangan abdi teras masihan apal yen bau baham teh biasana mah lain pedah can nyikat huntu hungkul, tapi bisa oge bau tina lambung lantaran te acan dahar. Manehna langsung ngajakan dahar, salila ngantosan dahareun manehna oge masihan permen anu aya wangina supados ngirangan bau tina baham kuring. Epekteh bener we, pas geus dahar mah bau bahamna leuingit, ngan aya oge bau tilas dahareun, untung we sanes dahar jengkol. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9252", "text": "Salah sahiji hal anu ngajadikeun urang ngarasa éra atanapi teu aman nyaéta bau baham. Bau baham atawa halitosis bisa kaalaman ku saha waé, awewe lalaki, kolot, ngora saha wae bisa kena. Keluhan anu ngaganggu ieu biasana aya hubunganana sareng kabersihan baham anu goréng, konsumsi katuangan anu tangtu, atanapi bahkan kaayaan kaséhatan anu tangtu. Bau baham disababkeun ku baktéri dina baham anu ngahasilkeun sanyawa kimia bau. Tumuwuhna baktéri dina baham ieu bisa timbul alatan masalah jeung huntu jeung baham, kayaning plak gigi, létah kotor, rongga, sarta sesa dahareun anu masih napel diantara huntu. Dimimitian ku kabersihan dental sareng lisan anu goréng. Salian ti masalah dina sungut, aya ogé anu berpotensi ngabalukarkeun bau napas, sapertos saatos tuang petai sareng jengkol, atanapi kusabab gering.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "252", "text": "Basa tampil di sababaraha acara urang biasana latihan heula di ruang gamelan nu aya di kampus. Latihan unggal poe saberes magrib tuluy beresna bisa nepi jam 12 peuting. Tapi lamun pas poean acarana biasana tara latihan deui, tapi leuwih ka nyiapkeun pakean nu dipake, oge ngakutan gamelan ka tempat acarana. Lamun baju tara ditangtukeun tapi urang kabehan sok make pangsi jeung iket. Pangsi teh baju adat sunda, biasana warna hideung, lamun iket mah sok dibebaskeun rek motif naon oge, aya motif baduy jeung sajabana. Tuluy mun geus beres dibaju, tinggal ngakutan alat maen karawitan ka tempat acarana, sabab henteu boga tim jadi diakutan ku sewang-sewangan. Di panggung sok rada degdegan mimitina mah, tapi mun geus maen mah sok ngemplong.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8558", "text": "Di dieu aya sababaraha cara pikeun nungkulan isin sanggeus ragrag. Ragrag bisa nyieun hiji jalma ngarasa era, sarta eta rarasaan normal. Tampa sareng aktipkeun parasaan anjeun, sareng cobian ngolahna. Seueur jalma anu teu acan terang yen anjeun murag, atanapi tiasa wae perhatikeun tapi henteu kapikiran deui saatos sababaraha waktos. Tong manjangkeun rasa isin ku mikir yen batur ningali sareng seuri ka anjeun. Ngobrol jeung babaturan atawa kulawarga nu dipercaya bisa mantuan ngagentos parasaan isin. Eta tiasa nyayogikeun dukungan sareng ngabantosan anjeun ningali kaayaan tina sudut pandang anu beda. Terus gerak sareng fokus kana kagiatan anu anjeun lakukeun sateuacan anjeun murag. Ieu bakal ngabantosan anjeun ngaleungitkeun rasa isin sareng nguatkeun kapercayaan diri anjeun. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3411", "text": "Margaretha ogé ngécéskeun lima kritéria diagnostik anu kedah dicumponan pikeun nangtoskeun upami aya anu ngagaduhan kleptomania.\r\nKahiji, kagagalan terus-terusan pikeun ngeureunkeun dorongan pikeun maok barang-barang jalma sanés anu henteu leres-leres diperyogikeun, atanapi leres-leres gaduh kamampuan mésér barang-barang éta.\r\nKadua, timbulna tekanan atawa stress anu kacida luhurna saméméh manéhna maling yén maling téh lain hal anu direncanakeun.\r\nKatilu, sanggeus manéhna maling datang kapuasan, senang, jeung relief.\r\nKaopat, maling téh lain keur males dendam jeung lain keur untung. Kadang-kadang anjeunna malah ngabagikeun barang anu anjeunna maling ka batur sabab anu penting pikeun anjeunna nyaéta prosés maling sorangan.\r\nKalima, maling dilakukeun lain lantaran boga masalah sosial atawa gangguan séjénna saperti masalah tingkah laku, bipolar dina fase mania, jeung gangguan kapribadian séjénna,” pokna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2104", "text": "Salah sahiji rencang abdi di Badan Eksekutif Mahasiswa tiasa terbit di Jurnal kabijakan nu salah sahiji author na ge simkuring nyalira Jurnal Analisis, Pusat Studi Internasional Strategis (CSIS) Indonésia. Jurnal ieu dipikawanoh ku masarakat lega di Indonésia. Jurnal Analisis ieu dumasar kana kawijakan, meryogikeun pangarang nyerat saran kawijakan dina tungtung artikel jurnal na. Jurnal ieu ogé henteu ngecas pangarang. Nyatana, pangarang anu tulisanna hasil diterbitkeun bakal nampi honor sareng salinan gratis tina jurnal anu ngandung tulisanana. kabeneran budak nu jurnal na terbit nyaeta staf abdi di Bem, rees pisan bisa aya jalma ti sastra jurnal na bisa abus ka jurnal nu notabenena ilmu FISIP.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1051", "text": "Bapak jualan bensin eceran, nepikeun ka urang kacanduan ngangseu bau bensinna. Ku sabab kondisina geus ngahawatirkeun, Indung urang ngadatangkeun wa Heri. Wa Heri ieu teh uwa urang anu paling ku urang sieun. Pas datang wa Heri ka imah, tuluy manggihan urang bari ngancam \"Pek siah mun maneh ngangseu wae bensin, ku uwa mah bakal dipiceun ka Citarum\". Sabab diancam kitu keur mah nu ngancamna jelema nu dipikasieun otomatis jadi ngaeureunan ngangseu bensin teh. Da sieun dipiceun ka Citarum tea jadi dieureunan. Soalna mun geus ngadenge Citarum teh sieun weh siga tempat pembuangan jelema da dina pikiran teh pas keur leutik mah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4348", "text": "Hamil nyaeta hak pregogative nu Maha kuasa nyaeta Allah SWT. Allah anu boga kawasa iraha jeung kasaha rek mere hamil ka hambana. Urang salaku manusa bisa ngalakukeun sagala usaha tapi akhirna tetep ngan kawasa Allah anu bakal nagtukeun na. Aya dulur urang maneh na geus lila nikah, nikah na geus aya mereun leuwih ti 5 tahun tapi can keneh ku Allah di bere kapercayaan keur hamil jeung boga budak. Geus loba oge usaha anu di lakukeun ka dokter, tapi can keneh wae. Nepi ka tungtungna pasangan pamajikan jeung salaki na ieu geus capek usaha jadi na pasrah jeung katangtuan anu Allah geus atur. Tapi syukurna lamun geus pasrah kitu ujug ujug pamajikan na hamil, eta maneh na duaan langsung ceurik reuwas teu percaya yen akhirna manehna bisa boga budak saenggeus mangtaun taun di tungguan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2943", "text": "Pernah ngadéngé jalma anu sieun jarum suntik? Atawa baraya nu ngalaman? Atawa geus ngalaman sorangan? Upami kitu, kaayaan ieu katelah trypanophobia. Trypanophobia mangrupikeun kaayaan dimana jalma ngalaman kasieun kaleuleuwihan kana tindakan médis anu ngalibatkeun suntikan atanapi tindakan anu aya hubunganana sareng jarum. phobia ieu teu ukur ngalaman ku barudak tapi ogé sababaraha déwasa. Jalma nu boga fobia bakal nyoba nyingkahan kaayaan/situasi jeung objék nu bisa memicu sieun atawa nyoba nyanghareupan eta bari nahan sieun jeung kahariwang. Kusabab ieu, teu saeutik anu henteu ngalakukeun vaksin sanés kusabab sieun vaksin tapi kusabab fobia ningali jarum suntik atanapi sieun nyeri anu disababkeun ku jarum suntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3302", "text": "Salian ti kudu ngagunakeun runtah plastik, urang ogé kudu rutin ngabersihkeun runtah sangkan teu bau. Janten, ieu kumaha carana ngumbah tong sampah anu tiasa anjeun lakukeun rutin di bumi.\n1. Pasang litter ucing di handap\nKeusik ucing anu biasana dijadikeun tempat ngégél ucing, ogé bisa dijadikeun pewangi dina tong sampah, nyaho.\nSapertos anu urang terang, kotoran ucing ngagaduhan fungsi pikeun ngirangan bau tina kotoran ucing. Janten, upami urang nempatkeun kana tempat sampah, pasir tiasa nyerep bau sesa sampah. \n2. Paké kantong sampah nu aya wangian\nNaha anjeun terang yén tétéla yén runtah plastik ogé ngagaduhan ambu khusus pikeun ngaleutikan bau sésa-sésa dahareun.\nCara ngagunakeunana ogé gampang, nyaéta ngan nempatkeun palastik dina tempat sampah sareng seungitna bakal ngaleungitkeun bau anu goréng. Sanajan kitu, pastikeun pikeun ngaganti eta rutin unggal poe, utamana lamun aya sampah nu gampang.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2449", "text": "Dua warga Tenggarong, Kutai Kartanegara meunang hadiah utama Koran Kaltim fun walk; Motor Honda Beat jeung Scoopy. Salah sahiji juara, M Ardiansyah atawa anu sok disebut Buncit, tétéla ngalaman hal-hal anu teu biasa saméméh meunang hadiah utama, motor Honda Beat. Peuting eta, Buncit jeung pamajikanana ngimpi aneh tapi pikaseurieun. Buncit ngaku yen manehna ngimpi keur mandi jeung pamajikanana ngimpi bau kokotor. \"Kuring ngimpi banjir. Waktu rek mandi, aya awewe di dapur, kuring kaluar rek mandi di teras. Pamajikan kuring ngimpi bau tai,” ceuk Buncit kalayan logat Kutai kandel. Isuk-isuk, ceuk si Buncit, leungeunna peurih. Tanda éta téh cenah wangun alus tuah. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3018", "text": "Upama kudu ka luar nagri, pangpangna mah waktu harita teh saha nu bakal ngurus kolot kuring nu geus rada kolot. Waktu éta bapa kuring 62, indung kuring 59. Tapi dina pikiran kadua, kuring hirup keur mangsa nu bakal datang, teu keur jaman baheula. Sanes teu patuh, tapi waktos harita nuju séhat (henteu gering), kaayaan kauangan teu kirang, sareng adina mah masih kénéh cicing sareng aranjeunna. Saliwatan, kuring meunang kasempetan ka luar nagri neangan seuseukeut sangu di nagara sejen, cobian heula kasempetan ieu. Tempo kumaha eta mana engké. Lamun ditilik deui ayeuna mah, putusan kuring waktu harita rada bener, teu aya kaduhung. Ayeuna kuring rada dicangking hirup sepi di kampung leutik, jauh tina hiruk pikuk kota metropolitan kawas Jakarta, sanajan hirupna basajan jeung panghasilan biasa-biasa wae.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8169", "text": "Dudung teh tos kakoncara janten ustad di Kampung Rungpa. Dudung kakoncara janten ustad nu alim, amanah, ngartos pisan umat pkokna hade pisan lah. Nanging kusabab yuswana nu tos teu ngora deui manehna mineng geuringan. Hiji waktos manehna geuring ripuh. Geuringna ripuh pisan nika keun manehna teu tiasa hudang tina kasur. Manehna nyaho ieu waktos manehna mulih ka rahmatullah tos cakeut. Manehna ngarasa sieun pisan. Sieunna Dudung teh leuwih kasieun teu tiasa ibadah ka gusti Allah deui. Dudung teh hayang keneh ngasaan nu ngarana nikmat ibadah di dunya sareng-sareng kulawargi tur umatna. Saacan maotna Dudung nitip pesen ulah nika keun ninggalkeun nu ngaranna ibadah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5598", "text": "Mere surprise kanu nuju ulang taun teh dianggap jadi salah sahiji hal wajib dina rangka ngarayakeun ulang taunna. Teu jarang babaturan atawa kulawarga nu ulang taun dibere surprisena nu meriah. Tapi ayeuna mah aya oge mere surprise na ku cara di prank heula. Jadi kumaha we carana supaya ngajailan heula nu ulang taun nepi ka jengkel. Tuluy nembe we surprise beneran nana dipasihkeun. Komo ka orang terdeukeut atawa tersayang mah surprise teh dirancang supaya meriah pisan. Biasana kue ulang taun jadi hal nu wajib aya dina ngayakeun surprise sabab tujuanna supaya poe ulang taun teh berkesan jang nu ulang taun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5148", "text": "Dina loba acara atau kegiatan, pasti aya sesi undian dina cara ngabagi-bagikeun hadiahna. Undian na aya nu dilaksanakeun online aya oge nu langsung di tempat acara. Tah kupon undian teh bener-bener diberekeun sacara acak ka peserta, kitu oge cara ngocok pemenangna. Dina aya nu meunang hadiahna, faktor beruntung jadi faktor nu mendominasi ieu sistem. Kaberuntungan teh jadi hal nu bener-bener diandelkeun dina ieu sistem pembagian hadiah teh. Mun bener-bener teu aya kalicikan teh leres we faktor ieu nu jadi patokan utamana. Urang teu tiasa ngalicikan jang meunang hadiah atawa ngandelkeun kakerabatan. Da balik deui, ieu sistemna acak, jadi emang nu dibutuhkeun teh kaberuntungan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "298", "text": "Badan Kependudukan dan Keluarga Berencana Nasional (BKKBN) nyebutkeun aya alesan ilmiah ngeunaan program Dua Anak Lebih Sehat. Ceuk Kepala BKKBN Hasto Wardoyo, penelitian ilmiah nyebutkeun kulawarga nu mibogaan dua anak bisa nurunkeun angka maot indung jeung anak. Dumasar kana hasil peta analisa nyimpulkeun dua anak leuwih sehat alus jang diterapkeun jang ngalereskeun pangwangunan jelema. Tuluy pas barudak ngora ngomong boga rencana eta alus, tidinya oge geus miluan nyukseskeun kahamilan nu direncanakeun. Manehna ngayakinan ku ngajalankeun program atawa jargoan Dua Anak Lebih Sehat eta maka kualitas penduduk di Tanah Air bakal leuwih alus. Ku sabab eta, ku rupa-rupa pertimbangan jeung kajian ti para ahli Dua Anak Lebih Sehat diharepkeun bisa nyasar generasi milenial nu bakal kawin.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "641", "text": "Pas rek balik ti Jakarta ka Bandung urang mutuskeun naek beus ka Leuwipanjang. Urang geus nanya-nanya oge kana kontak pengemudina yen berangkatna teh saberes magrib. Sabab harita masih beurang keneh, jeung daripada nungguan lila di stasiun, nya enggeus weh urang teh ulin heula. Salahna urang teh naha ulinna teu ka tempat nu deukeut jeung stasiun ngameh reugreug di mana waktu geus samporet oge. Nah ku sabab teu apal kumaha kaayaan Jakarta utamana macetna, jadi kalakah nyantai weh ulin da mikir mah paling sajam ge nepi ka stasiunna. Ari pek henteu, sabab loba nu balik gawe jam 5 an mah jadina weh macet. Nepikeun ka urang teu kaburu naek beus nu jam sakitu sabab geus telat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4382", "text": "Sorobot antrian komo dina antrian anu geus pinuh bisa ngaruksak kaayaan jeung mancing emosi jeung amarah jelema anu geus antri samemeh na. ieu teh perlakuan anu goreng pisan, nyorobot antrian sarua jeung teu ngahargaan ka jelema nu sejena jeung sarua jeung teu ngahargaan diri na sorongan. Loba masalah anu bakal kajadian lamun urang sorobot antrian lamun rek mayar atawa nyokot sasuatu, salian aniu pasti bakal di carekan ku loba jelema anu didinya, puncak na lamun urang sorobot anrian bisa mancing emosi nepi ka bisa kajadian di gebugan atawa di keroyok kusabab loba nau teu tarima antrian na anu geus di tungguan salila lila di sorobot kubatur sengeunah na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5651", "text": "Tilu cara ngatasi anak nu sering neunggeul ka batur. Nu kahiji nyaeta ajarkeun anak soal komunikasi nu bener. Kadang anak teh neunggeul lain sabab ngambek atawa jengkel, tapi sabab teu apal kumaha cara komunikasi nu bener. Mantakna, penting pisan orang tua ngajarkeun anakna kumaha cara komunikasi nu bener, sampaikeunna ku cara nu leuwih halus. Nu kadua nyaeta tumbuhkeun empati anak. Ajarkeun anak soal empati ka batur. Jadi mun jengkel teh bere pengertian yen mun make kekerasan teh batur bakal ngarasa nyeuri. Ajarkeun supaya terbiasa jeung ngontrol ambekna. Nu katilu nyaeta bere conto nu alus, sabab budak mah biasana ngalakukeun nu dicontokeun ku orang tuana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8951", "text": "Abdi gaduh pangalaman nalika abdi SD. Waktu éta sakola ngayakeun kagiatan ngojay. Sanggeus nepi ka éta tempat, nyiapkeun sarta ogé pemanasan, urang bébas ulin di kolam renang husus barudak nu ukur dengkul tinggi atawa maén dina perosotan pondok. Sababaraha barudak digero giliran asup ka kolam renang jero saméter, dicekel ku guru. Waktos giliran abdi, abdi bingah di bawa ku salah saurang guru ka tengah kolam renang, dimana aya perosotan sareng cai mancur. Saparantos rengse, abdi dibawa deui ka tepi. Tapi tacan sapinuhna nepi, kuring langsung ditinggalkeun ku guru, nepi ka ahirna kuring lésot jeung ampir kalelep. Geus sababaraha detik, can aya guru anu sadar, nepi ka ahirna guru di wewengkon kolam renang séjén sadar sarta langsung mantuan kuring. Ti dinya kuring teu wani deui nyoba-nyoba asup ka kolam renang nu teu nepi ka jangkungna kuring.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "691", "text": "Urang, Reza, jeung Fajar geus biasa ulin mun sore saenggeus balik sakola. Ulinna teu jauh paling oge diurut pabrik nu geus lila teu dipake. Didinya teh soalna aya lapangan nu lumayan lega jang mengbal. Tapi hiji waktu mah reuwas kacida, pas manggihan aya bungkusan plastik anu ka kubur dina taneuh tapi plastikna mah teu ka kubur kabeh. Sabab aneh jadina urang, Reza, jeung Fajar teh nyoba ngagali plastik eta, mimitina mah rada susah lantaran taneuhna rada teuas, tapi teu ponfok pipikiran digali make batu. Saenggeus digali teh kakara katinggali eusina nyaeta aya emas jeung naskah Sunda kuno nu ditulisna oge lain make aksara latin tspi aksara Sunda heubeul. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6032", "text": "Dosa atawa kasalahan teh mangrupakeun hal nu kudu dihindari sabab bisa ngarugikeun diri sorangan. Sagala bentuk dosa teh pasti meunang ganjaran ti Allah SWT. Ti ganjaran nu ringan nepi ka ganjaran nu kacida beuratna. Tong maen-maen kana dosa mah, saban gede keutik ge bakal aya babalesna. Mun bisa mah minimalisir berbuat dosa ma batur teh, komo nepi ka nganyeurikeun hate batur. Urang hirup di dunia teh kudu nurut kana ajaran agama jeung aturanna, tong sagawayah. Mun aya potensi kasalahan, minimalisir sadini mungkin. Ulah nepi ka geus kaduhung, karek we inget kana dosa. Jadi, mending yuk ti ayeuna urang hindari sagala dosa supaya bisa hirup mangpaat!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2475", "text": "Kasampak gumbira katémbong tina raray Sulastri, sanggeus meunang karcis pulisi panganyarna. Anjeunna ogé diingetkeun ku patugas supados sumping sateuacan angkat anu dijadwalkeun supados anjeunna henteu tinggaleun deui ku beus mudik gratis anu disayogikeun. \"Ceuk enjing kantun angkat. Tikét ieu tos diropéa, tiasa di-renew. Isukan jam 07.00 WIB cenah,\" ceuk Sulastri. Etateh bisa kalakonan saatos naroskeun patarosan sareng negosiasi sareng aparat kapulisian, anjeunna tungtungna diidinan janten peserta mudik gratis pikeun rombongan penerbangan kadua anu angkat Salasa (26/4/2022). alahamdulilah mibanda mah ceunah telat teu bisa mudik tapi kumargi loba jalma nu eces ngabantan sulastri tiasa negosiasi sareng petugas beh bisa mudik di isukanna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1418", "text": "Keur ulin di alun-alun, urang geus pede lantaran make baju anyar da keur aya diskon di salah sahiji mall. Urang ulin teh jeung babaturan da maturan manehanana rek meuli sapatu. Pas keur ninggalian sapatu, tuluy aya bapa-bapa nu nanyakeun barang ka tukang ngajualna. Jadina urang otomatis ninggali si bapa eta, pas ditinggali teh naha bajuna asa teu aneh. Eh geuningan sarua pisan! Urang bari ngodean ka babaturan urang meh buru-buru indit, neangan di tukang sapatu sejen, \"Tuh tinggali bajuna sarua jeung urang, hayu indit, neanganna di toko sejen weh, urang era\". Manehna mimitina nyeungseurikeun, tapi ku urang langsung dibetot ngarah ingkah di toko eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6253", "text": "Mun utah sabab asup angin mah sok teu ngeunaheun pisan kana awakna teh. Beuteung teh asa mulikbek ku angin nu teu bisa bijil, jeung deuih mantak seueul kana angen. Mantak teu aneh mun loba nu asup angin sok ripuh ge. Komo deui mun ditambahan seueul jeung lieur mah meuni mantak hoream mukakeun panon ge. Mun geus parah pisan mah mun utahna geus hideung atawa koneng, eta mah geus nepi kana dasar pisan. Beda jeung utah biasa nu sok ngaluarkeun eusi kadaharan hungkul. Mun geus utahna mah ngeunaheun sok asa ngemplong, tapi mun teu bisa diutahkeun, lieurna ge moal cageur ku waktu saminggu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8477", "text": "Tika kacida ngalaman kajadian anu kacida teu pikaresepeun. Kajadian ieu matak pikareueuseun pisan pikeun Tika, lain ngan ukur keur Tika, tapi keur sarerea, ieu oge matak pikageuleuhen. Kajadian eta manggihan kecoak dina soto anu dibeuli. Waktos eta manehna meuli soto tina gorobag sisi jalan nuju ka imahna. Manehna meuli soto jang dibungkus jeung didahar di imah. Tapi nalika anjeunna tuang soto sareng ngamimitian ngadahar soto, anjeunna teras sadar yen soto anu didaharna teh ngandung kecoa maot. Anjeunna langsung utah kusabab eta. Anjeunna malah nyeri sirah kusabab eta. Anjeunna janten trauma ku tuang soto sareng henteu hoyong meser tuangeun jalanan deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5534", "text": "Geus dua bulan Andi batuk wae teu eureun-ureun. Malahan mah sakapeung sok nepi ka ongkek mun batuk teh. Geus ku sagala rupa obat apotek tapi angger wae teu cageur-cageur. Hiji poe, Andi batuk wae teu eureun-eureun jeung ngaluarkeun getih tina batukna teh. Kolotna riwaneun, jadi Andi dibawa ka rumah sakit daerah. Di rumah sakit, Andi langsung dirawat di ruangan ICU. Dokter mariksa kondisi Andi ti sagala rupana. Pas hasil pamariksaan na kaluar, salila ieu teh Andi ngidap panyawat TBC. Ieu teh salah sahiji panyakit nu butuh berobat jalan jang cageur teh. Andi ngarasa sedih pisan sabab sieun nularkeun oge ka kulawargana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8196", "text": "Jalmi teh seueur keneh nu sieun upami dioperasi. Wajar si sabenerna kusabab operasi teh ngalibatkeun awak urang nyalira. Nanging aya babaraha cara nu tiasa dilakukan upami sieun sawaktos arek dioperasi. Kahiji, ngumpulkeun informasi perkawis operasi saloba-lobana. Upami tos apal kumaha-kumaha wae operasina urang janten teu boga deui nu kudu diharinwangkeun kusabab urang nyaho perkawis-perkawis terkait operasina. Kadua, nyarios sareng dokter nu ngalakukeun operasi. Tiasa nyarios saputar operasina, dokter bakal nerangkeun kumaha proseduralna tur ngayakinkeun urang upami operasina bakal aman. Katilu, ngalakukeun perkawis-perkawis nu tiasa nenangkeun hate urang. Kagiatan nu tiasa dilakukeun sapertos ngadangukeun musik, ngobrol sareng kulawargi atanapi tiasa oge ngadua.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5278", "text": "Motor jadi salah sahiji kandaraan nu penting pisan di zaman ayeuna mah. Tapi, kumaha jadina mun koncina leungit? Nya, leres, sedih jeung bingung pisan. Abdi pernah kaleungitan konci motor pas tuang di salah sahiji kantin di kampus. Kantinna rame pisan, sistem na parasmanan. Abdi harita nyepegan konci motor nu digagantelan panjang. Pas nyandak prasmanan, jalmina meuni pinu pisan, pasedek-sedek. Pas diuk di tempat makanna, abdi karek ngeuh konci motor leungit. Diteteangan di sapanjang tempat ngantri tadi, tapi teu katimu. Nepi ka beres emam meuni teu paruguh rarasaan, kumaha mun koncina dipulung batur terus abdi teu bisa uih, atawa motorna ge dipaling sakalian ku nu mulung konci. Abdi bingung pisan kumaha. Tuluy abdi menta tolong ka satpam kampus jang nitip motor. Abdi tuluy nelpon ka nu di bumi supaya dikiriman konci cadangan motor. Hadeuh, teledor mawa petaka pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7338", "text": "Balik ti kampus abdi langsung naek angkot. Awalna mah teu aya masalah. Tapi pas tos dugi di jalan raya utama, macet pisan lantaran aya jalan anu nuju dibenerkeun janten satengah jalan teu tiasa dipake. Ani biasana di hiji jalur aya dua mobil, ayeuna ngan aya hiji mobil. Mobil-mobil angkot, mobil pribadi jeung trek paboro-boro hoyong geura liwat, kaasup angkot anu ku abdi di tumpakan ayeuna. Supir angkot anu mawa mobil angkot ieu teu sabaran pisan. Manehna langsung kukulutus pas ningal mobil ditukangeunna miheulaan asup ka jalur anu heurin. Manehna sababaraha kali nyarios anu kirang sae. Lantaran sieun, abdi langsung buru-buru turun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1342", "text": "Keur jalan-jalan ka hiji tempat anu jauh jeung kulawarga oge dulur-dulur. Jalanna loba bulak-belok sabari nanjak jadi matak puyeung. Bi Cucu salah sahiji dulur tara biasa naek mobil, komo deui ieu di bawa ka perjalanan jauh bari jalanna bulak-belok. Sabab geus katinggali tina raut rarayna rek utah, jadina disadiaan keresek jang nampung utahna bisina sewaktu-waktu ngadadak utah. Aya meureunan ti 5 menit geus dibere keresek teh Bi Cucu utah tapi ku sabab jalanna teu rata utahna teh teu asup keresek kabeh, jadina ngalayah dina jok mobil. Mobil kapaksa eureun heula. Tuluy pas ninggali utah eta, langsung reflek kaluar mobil bari milu utah oge ku sabab sebel ninggalina.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9238", "text": "Pan lamun budak di sakola mah sok heureuy manggil ngaran teh kalah nyebutkeun ngaran kolotna. Hiji waktu Hapis teh rek ngajak ulin babaturanna si Fajar. Pas ka imahna, si Hapis teh lain ngageroan si Fajar, manehna kalah ngageroan ngaran bapana. \"Samsul hayu ulin, aing ngadagoan.\" ceuk si Hapis. Aya weh nu muka panto, tetela eta teh bapana Fajar anu ngaranna Samsul. Langsung reuwas si Hapis teh, manehna seuri bari sieun, soalna karek sadar yen ngaran anu disebut bieu teh ngaran bapana si Fajar. Hapis isin pisan harita teh, tapi da geus kagok aya di imah si Fajar. \"Hapunten bapa, Fajarna aya.\" ceuk Hapis. \"Aya. Naek weh.\" titah bapana si Fajar. Si Hapis asup ka imahna Fajar. Gura-giru neangan Fajar soalna manehna teu ngeunah geus nyebut bapana. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1112", "text": "Loba kasus penculikan gara-gara awalna teh ditutur-tutur ku orang asing. Matakan mun pas ditutur-tutur teh leumpang urang sok gancang mun bisa mah lumpat, tapi tetep ulah lumpatna ka tempat anu sepi sabab eta bahaya oge. Leuwih alus mun lumpat atawa leumpang gancangna menuju tempat kaamanan, bisa ka kantor polisi sakalian laporkeun. Eta cara ampuh pas ditutur-tutur ku orang asing ngarah manehna oge teu wanieun jeung ngajauhan. Atawa mun urang wani mah, bisa ku urang foto nu ngingintilna tuluy kirim ka babaturan mun urang keur aya nu ngingintil. Di mana aya kajadian atawa hiji hal anu nimpa diri urang, sahenteuna aya batur nu geus apal saha pelakuna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7255", "text": "Beus mangrupakeun angkutan umum anu paling mirah tipada angkot lamun bade angkat ka kampus, ngan hanjakal beus teh sakedik pisan jeung lila datangna, jaba teu aya jadwal anu pasti iraha eta beus bakal datang, janten lamun bade numpak beus teh kedah siap-siap ti sajam sateuacanna supados lamun teu aya beus tiasa langsung numpak angkot. Hiji waktos abdi bade angkat ka kampus tapi aya sababaraha urusan heula janten rada telat angkatna, pas tos caket halte, abdi ningal aya hiji beus anu ngaliwat, tapi posisi abdi masih keneh rada jauh lamun mapah, moal kaudag. Abdi tos ngusahakeun mapah sing gancang, tapi beus na kaburu jalan deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1139", "text": "Beda budaya emang salah sahiji rasa kasieun mun keur di tempat asing, komo mimiti ngarasakeun di nagara atawa tempat anu beda pisan jeung nagara urang. Perbedaan budaya emang bisa nyieun ngarasa teu nyaman, bingung oge sieun bisi salah. Tapi biasana urang samemeh berangkat ka nagara tujuan sok neangan heula informasi ngaliwatan internet ngeunaan norma-norma sosial, adat istiadat, jeung kabiasaan masarakat satempat jadi urang bisa ngahindar tina paripolah nu teu pantes. Lamun keur di tempat asing oge urang sok mastikeun yen sopan jeung ngahormat kana norma-norma sosial setempat. Misalna ngucapkeun salah lamun panggih jeung orang setempat, teu moto batur jeung bangunan tanpa izin, jeung ngahindar tina perilaku nu dianggap teu pantes.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6320", "text": "Mun ngolah makanan teh kudu dijaga kaberesihan nana sabab bisa ngaruh oge kana ketahanan jeung rasa makananna. Tah, cara ngajaga kaberesihan dina proses ngolah makanan teh kudu merhatikan hal ieu. Nu kahiji nyaeta pastikeun bahan dasarna nu alus, lain bahan anu sesa atawa anu limbah, sabab bisa ngaruh pisan kana kualitas makanan nu dijieun. Nu kadua nyaeta pastikeun alat-alat nu dipake teh beresih jeung teu kotor. Mun alatna kotor mah bakal ngaruhna kana tampilan makanan nu dijieun. Nu katilu nyaeta pastikeun leungeunna beresih samemeh nyabak bahan makanan, termasuk ngolahna. Sabab mun leungeun kotor dipake ngolah makanan mah sok babari bari kana makanan na oge.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2190", "text": "Dina semester kahiji kuring kuliah, kuring ngajar palajaran swasta pikeun siswa SMA. Waktu harita PGC can aya, masih kénéh Terminal Beus Cililitan. Kuring cicing di Depok, murid kuring cicing di Duren Sawit. Abdi kedah nyandak Miniarta ti Margonda ka Pasar Minggu. Ti Pasar Minggu mah ka Cililitan. Sareng ti Cililitan abdi nyandak Metromini ka Duren Sawit. Hiji poe sanggeus ngajar, kuring kakara turun ti Metromini di Cililitan, kuring kataji jeung panasaran kana jelema anu maen nebak mana dadu anu aya diantara tilu gelas tutup. Kuring ngan hayang ningali aya euweuh kahayang pikeun gabung dina kaulinan. Ujug-ujug kuring ditepuk jeung ditanya sabaraha duit kuring boga? Langsung kuring ngaluarkeun dompét kuring sareng masihan sadaya artos dina dompét pikeun dipasang. Kuring ujug-ujug sadar sanggeus kuring leungit kaulinan éta.Padahal poe eta kuring kudu datang ka lomba na murid kuring han basa eta kuring malah teu bisa datang, gara-gara copet nu teu boga asa asa.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3325", "text": "Lamun urang ngadahar kadaharan anu geus keuna ku laleur, urang bakal nambahan résiko diare, tifus, kolera, disentri, panon atawa kulit. Ku kituna urang teu kudu dahar eta\r\n\r\nSanaos katingalina kaleuleuwihan kusabab urang dipenta pikeun ngalungkeun tuangeun anu laleur parantos darat, para ahli kaséhatan nyauran tindakan ieu leres-leres kedah dilakukeun.\r\n\r\nKumaha baktéri bisa dipindahkeun tina laleur ka dahareun? Tétéla sanajan laleur darat kacida gancangna, meureun ngan salila kira 1 atawa 2 detik, tétéla baktéri jeung sagala rupa kuman-nyebabkeun panyakit anu geus napel dina jangjang jeung suku laleur gampang nempel kana dahareun.\r\n\r\nSareng upami urang tuang katuangan ieu, maka baktéri ieu bakal asup kana awak sareng pamustunganana tiasa nyababkeun inféksi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "243", "text": "Sakumaha berkembangna jaman, ayeuna mah neangan barang nu leungit teh bisa leuwih babari jeung gancang. Loba barang anu geus make title smart, salah sahijina gantungan konci. Gantungan konci ieu ngaranna smart tag enggeus tahan cai. Ukuranna anu leutik jeung desain anu simpel jadi kaleuwihan barang ieu. Salian ti eta, sanajan leutik tapi boga loba kaleuwihan. Gantungan konci ieu geus make koneksi jaringan bluetooth anu gancang pisan. Barang ieu bentukna buleud, nu kahiji ring jang ngagantungkeunna, nu hiji deui buleud warna bodas salaku alat bluetoothna. Teu ngan saukur ditempel dina gantungan konci, tapi bisa oge dina kantong, dompet, atawa smartphone. Sakali klik langsung bisa manggihan konci nu leungit teu leuwih ti 1 menit. Hargana lumayan mahal Rp 250.000. Tapi sapadan jeung fungsina.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5215", "text": "Ayana wabah covid-19 ngarubah sagala aspek dina kahirupan manusia secara signifikan. Loba manusa nu kalaparan sabab lockdown, loba nu sangsara sabab panghasilanna euweuh, termasuk oge loba nu di PHK tina pagawean nana. Kulawarga abdi ge kena dampak ieu wabah cukup signifikan. Penghasilan orang tua tina damel di pabrik teh jadi teu aya pisan sabab lockdown, teu meunang kamana-mana. Kabutuhan oge kapepet, da teu kaeser jeung deuih teu aya nu nyetokna. Wabah ieu pang parahna salila dua taun. Dugi ka ayeuna ge masih aya, ngan alhamduliah aya kelonggaran. Orang tua oge sabarang di PHK ayeuna mah janten icalan we di bumi. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3350", "text": "Kentut atanapi ngalirkeun gas saleresna mangrupikeun prosés awak anu alami sareng normal. Kaleuwihan gas dina burih dikaluarkeun ngaliwatan peujit badag sarta kaluar ngaliwatan anus, ieu nu disebut farting.\nbéntang televisi Méksiko Ingrid Coronado Fritz understands titik sampurna. Dina acara kaulinan dina televisi Méksiko, TV Azteca, Ingrid béntang tamu sarta maénkeun kaulinan charades.\nngrid anu meunang kasempetan ngajawab ahirna ngagorowok ngajawab. Tapi ujug-ujug aya sora 'brut' has kentut. Teu disangka-sangka, manéhna ngaléos bari nyoba ngajawab pananya.\n\nNgaliwatan akun Twitter-na, anjeunna ngaku seuri sareng henteu mungkir yén sora anu kadéngé ku pemirsa nyaéta sora kentut. Malah, numutkeun anjeunna, mungkir ieu sami sareng mungkir anakna, sabab duanana kaluar tina awakna.\n\n“Untung mikroponna ngan deukeut sungut kuring, jadi ngan nyekel naon anu kaluar tina sungut kuring, hahaha,", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6820", "text": "Lantaran abdi ti kulawargi anu teu gaduh artos seeur, abdi teu wantun nyungkeun artos kanggo miluan bimbel anu pangaosna teu mirah. Matak abdi miluan tryout supados tiasa meunang bimbel gratis. Abdi oge kenalan sareng rerencangan anu gaduh zenius premium, janten abdi tiasa nambut akun zenius na teras diajar di bumi nyalira. Abdi oge ngagunakeun strategi diajar, nyaeta fokus wae ka materi anu abdi tiasa heula. Materi nu sanes anu abdi ngarasa sesah mah ku abdi teu pati difokuskeun pisan supados teu miceun waktos. Abdi oge lewih fokus diajar ti dasar na, janten ngke soalna kumaha wae oge tetep bakal tiasa ngajawabna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6818", "text": "Universitas kasohor ku Badan Eksekutif Mahasiswa na, pokona lamun urang tiasa janten anggota BEM teh dianggap na keren. Tapi pas saatos pandemi minat mahasiswa Unpad ka kagiatan mahasiswa hususna BEM janten nurun, malahan seeur anu ngarasa BEM teu penting lantaran urang kacape-kacape rapat nepi ka peuting, ngaluarkeun artos anu teu sakedik, teu digantian ongkosna, jeung teu aya mangpaat anu tiasa dirasakeun pas ngke lulus. Pas rek gawe oge HR moal ningali mahasiswa anu miluan BEM, tapi leuwih ningal mahasiswa anu gaduh pangalaman gawe. Jadi weh BEM teu laku di kalangan mahasiswa Unpad lantaran leuwih milih Kampus Merdeka anu tiasa masihan pangalaman, uang saku oge, jeung sertifikat kanggo modal neang gawe.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6874", "text": "Nami abdi Sandi. Abdi mangrupakeun salah sahiji karyawan di perusahaan ageung di Bandung. Abdi parantos damel di perusahaan ieu salami tilu taun sareng parantos nunjukkeun seueur komitmen sareng dedikasi. Akhir-akhir ieu, abdi nampi panghargaan Karyawan Terbaik. Abdi bagja pisan sabab ieu mangrupakeun panghargaan anu berharga. Ieu nunjukkeun yen padamelan anu abdi lakukeun di perusahaan ieu teh dihargaan ku perusahaan. Abdi ngarasa bungah pisan sareng kapikiran pikeun terus ngalakukeun anu pangsaena dina naon wae anu abdi lakukeun. Abdi oge ngarasa leuwih kamotivasi pikeun nyumbang leuwih ka perusahaan. Abdi ngarepkeun ieu bakal janten awal anu sae pikeun masa depan kuring di perusahaan ieu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "647", "text": "Urang datang ka stasiun beus bari lumpat hah-heh-hoh, soalna beus nu ku urang taekan teh jadwalna pas pisan jeung pas urang datang. Di sapapanjang jalan ge geus teu ngeunah hate da pastina macet, komo pas bubaran gawe. Urang langsung menuju ka petugas nu jaga dihareupeun panto, bari degdegan sabari nanya \"Beus nu bade ka Bogor tabuh sakieu masih aya kitu?\" Tuluy petugasna ngajawab, \"Oh tos angkat pak bieu pisan.\" Urang ngajawab deui \"Aduh kumaha atuh nya, abdi teh ka pegat ku macet janten teu tepat waktu dongkapna.\" Petugasna ngartieun, bari nitah urang diuk, \"Mangga calik heula pak, kin urang telepon naha tos lebet tol atawa teu acan.\" Urang diuk bari ngarenghap.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6321", "text": "Mun jajan di tukang dagang anu keliling atawa anu di sisi jalan teh kudu ditingalian heula aspek kaberesihan nana. Soalna aya nu asal wae nyieunna, misalna loba make perasa, pewarna, jeung bahan nu teu terjamin. Salian eta, kaberesihan tempat dagang na ge kudu diperhatikeun sabab bisi aya nu sering dihinggapan ku beurit atawa kecoa, jeung sajabana. Mantak, dari pada jajan teu pararuguh di luar, can tangtu makanan na beresih, mending masak nyalira nu geus puguh katingali kaberesihan jeung kasterilan dahareunna. Tuluy oge bahan na bisa diatur make bahan anu alus jeung bergizi. Yuk biasakeun nyieun jajanan sorangan dari pada meuli di luar!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5525", "text": "Basa sapoe tas pengumuman abdi lolos kuliah, abdi tuluy nyiapkeun berkas jang daftar ulang. Kulawarga banggaeun sadaya sabab abdi tiasa lolos katampi di kampus ternama nu jadi idaman. Poe isukna, aya bibi abdi datang jah-jah ti luar kota bari mawa tumpeng. Abdi bingung aya acara naon, sugan teh aya syukuran dulur abdi nu abdi teu apal. Pas datang, tumpeng na teh titah dikeureut jeung doaan ku abdi. Abdi meuni rareuwas da asa teu ulang tan. Eh singhoreng mah sukuran sabab abdi tiasa katampi di kampus impian. Tumpeng na teh tulisan nami abdi, spesial dijieun ku bibi. Alhamdulillah abdi atoh pisan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3008", "text": "Geus ampir sataun saprak kuring dihukum ku dokter nalika kuring ngalaman serangan panik, serangan kahariwang, serangan sosial-kahariwang jeung aghoraphobia. Meureun aya kénéh nu hese ngabedakeun antara serangan panik jeung serangan kahariwang. Biasana nalika urang aya dina kaayaan anu tangtu (biasana kusabab sieun), serangan panik bakal langsung nyerang, sedengkeun serangan kahariwang nyerang nalika urang hariwang ngeunaan hal-hal anu bakal disanghareupan atanapi anu henteu acan kajantenan sareng berpotensi ngajantenkeun urang sieun sareng henteu. teu kunanaon.. Di dieu kuring nyerat pangalaman kambuh anu paling parah. Kajadian mimiti taun ieu, nalika salah sahiji babaturan deukeut kuring geus lulus. Anjeun tiasa ngabayangkeun balaréa lokasi ieu, utamana saprak kuring ogé boga aghoraphobia. Soré éta kuring ahirna maksakeun datang, sanajan ti isuk nepi ka beurang kuring kudu nepungan dosen tapi ahirna ngahuleng.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5121", "text": "Tilu tips supaya kuliah meunang penghasilan. Nu kahiji nyaeta teangan beasiswa. Di dunia pakuliahan mah beasiswa teh pabalatak, asal urang leukeun neangan jeung nyobaan nana. Tah, biasana beasiswa teh sok aya uang sakuna. Lumayan kangge ngahemat acis jeung motong pangaluaran ti pun kolot. Nu kadua, kuliah bari dagang. Tah, supaya meunang panghasilan tambahan, urang ge bsa dagang. Dagangna bisa naon wae, misalna kaperluan mahasiswa, jajanan, jeung kaperluan kuliah. Dagangna teu wae kudu diasongkeun, kan ayeuna mah aya media online, janten tiasa diakalan. Tah nu katilu teh nyaeta magang atawa part time. Part time atawa magang tiasa jadi andalan jeung ngahasilkeun panghasilan tambahan tanpa ngaganggu kana jadwal kuliah. Biasana seueur gawe part time di sakitaran kapus mah. Mun sakitu tips simpel ngahasilkeun panghasilan tambahan jang mahasiwa teh, mugi tiasa mangpaat nya!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5200", "text": "Tips milih pasangan hirp jang urang. Nu kahiji nyaeta pilih jalma nu narima kakurangan urang. Tah dina sapopoena, tingali jalma eta teh narimakeun kakurangan urang teu, boa dina segi emosi, boa dina segi fisik, finansial, latar belakang kulawarga, jeung sajabana. Nu kadua nyaeta teangan jalmi anu bener-bener nyaah ka urang, lain nyaah sabab finansialna, atawa aya nu dipikahoyongna. Jalma nu tulus nyaahna mah moa nuntut nanaon ti urang, malah bakal jadi narimakeun. Katilu nyaeta pilarian jalma nu taat ibadahna. Jalma nu taat ibadah mah pasti bakal ngarti kumaha cara ngabimbing urang, mikanyaah urang, jeung sagalana. Ku kituna, hal ieu tehjadi pertimbangan besar kangge urang milih pasangan, sabab pernikahan teh sanes saukur di dunia, tapi dugi ka akherat.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5577", "text": "Mun akhir taun teh sok aya doorprise gede-gedean di Yogya Tasik mah, biasana diundi tina struk balanjaan. Jadi, nu boga struk balanjaan tingali di handap, aya kode undian. Tah kabeneran pisan undian kali ieu abdi kenging, ditelfon ku pihak Yogya na. Abdi kenging undian mangrupa sapedah budak leutik. Alhamdulillah pisan tiasa kenging ge. Sapedahna teh sapedah roda dua nu aya keneh ban bantuan kenca katuhuna. Warnana beureum jeung hideung. Sapedah ieu teh bisa dipake ku budak tilu nepi ka lima taun. Hadiahna teh kudu dicandak langsung ka Yogya bari nembongkeun kode dina struk balanjaanna. Alhamdulillah akhir taun ditutup ku kaberuntungan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9533", "text": "Tommy ngarasa bagja pisan. Manehna geus bisa meuli gitar Gibson anu dipikahayang ku cara nabung mang taun-taun. Ti leuleutik, Tomi hayang pisan gaduh gitar Gibson, tapi anjeunna henteu kantos ngira yen anjeunna bakal tiasa meser. Tomi rajin nabung iraha wae manehna meunang duit bekel, oge neangan cara pikeun ngahemat. Manehna ngirangan kagiatan anu teu perlu sareng milarian cara pikeun ngahemat artos dina sagala hal anu ngarasa manehna teu penting keur laksanakeun. Sanggeus sababaraha taun nyimpen, Tomi ahirna bisa boga cukup duit pikeun meuli gitar Gibson impianna. Tomi kacida gumbira nalika ahirna manehna bisa nyekel gitar dina leungeunna. Tomi ngarasa saolah-olah sagala usahana geus hasil. Ayeuna, Tomi tiasa maen gitar kalayan nyaman sareng anjeunna ngarasa bagja pisan unggal metik ieu gitar. Tomi oge ayeuna ngarti yen cita-cita teh mangrupikeun hal anu kedah diusahakeun unggal dinten supados tiasa kahontal di mangsa kahareupna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6027", "text": "Doraka ka kolot jadi salah sahiji dosa besar anu jarang pisan disadari ku para manusia salila di dunia. Dosa doraka ka kolot teh rupa-rupa, bisa ku ngalawan ka kolot, nembal sagala perkataan nana, teu nurut kana naon anu diajarkeun nana, nyepelekeun kolot, koret ka kolot, jeung sajabana. Tah ganjaran na oge teu bobodoan, bakal sangsara dunia jeung bakal asup naraka di akherat. Kadang mah da dosa ieu teh teu karasa sabab disapelekeun, teu dianggap serius. Padahal mah ku nyebut ah atawa nyebut ih ka kolot ge geus dicatatkeun dosa doraka dina amalan urang teh. Mantak kudu sada pisan yen kolot teh kan surgana arurang, jadi kudu dirawat jeung dihormati.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "220", "text": "Urang boga kabiasaan nabung duit recehan, recehan anu nominalna 100, 200, 500, nepika 1000. Geus aya dua semester urang nabung kana celengan plastik warna beureum. Kabeneran urang boga alo nu leutik keneh ngaranna Neng Alwi, urang sok nitah Neng Alwi nu ngasupkeun duit receh kana celenganna ngameh sabari diajar nabung. Geus aya dua semester celenganna pinuh kudu dibuka. Urang jeung Neng Alwi muka celenganna di tengah imah, geus dikeureut eta celengan ku peso, langsung ngaburulu duit recehan. Nu pertama dilakukeun urang misahkeun heula nominal nu sarua ngameh babari ngitungna. Geus dipisah lajeng diitung, aya kana 15 menitan duit recehan geus kaitung, totalna aya leuwih ti Rp 1.000.000.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4344", "text": "Ku ramena jaman sosial media ayeuna ngajien urang jadi ngarasa leuwih hirup jeung rame sarta nyaman di sosial media. Sagala anu biasa na aya di dunya nyata oge bisa aya di social media. Misalkeun wae undian, loba artis atawa influencer anu mindeng ngayakeun undian di akun sosial media na. Niat na nya keur babagi jeung rame ramean, hadiah na oge kaitung lumayan gede bisa duit nepi ka motor. Arif Muhammad nyaeta selebgram anu mindeng ngayakeun kawas kitu. Pernah aya followers na anu meunang motor vespa. Kabayang kumaha reuwas jeung bungah na eta jelema anu ujug ujug meunang rezeki nyaeta motor anu teu di sangka sangka.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6081", "text": "Tilu cara nu bisa dilakukeun supaya ngaleungitkeun rasa sieun mun keur di tempat asing. Nu kahiji nyaeta coba baur jeung lingkungan sosial masyarakatna, coba baur sabisa mungkin. Ulah nepi ka antisosial atawa ngurung diri tina kahirupan sosial nu anyar. Nu kadua nyaeta coba teangan kaasyikan dina tempat anyar. Eksplor lingkungan sakitar tuluy teangan hal nu menarik supaya bisa ngaleungitkeun rasa sieun di tempat anyar eta. Nu katilu nyaeta coba pahami kaadaan di lingkungan sakitar. Bisa ku cara observasi nyalira ngeunaan kaayaan lingkungan jeung masyarakatna. Geus kitu, tuluy tinggal berusaha nyasuaikeun diri jeung lingkungan nu anyar. Cobian terapkeun tilu cara eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1412", "text": "Dina hiji hubungan, boh eta hubungan pribadi atawa profesional, penting jang merhatikeun rincian leutik siga ngaran batur. Kasalahan nyebut ngaran batur bisa ngaruksak reputasi jeung oge bisa memicu rasa kaera nu lila. Ku sabab kitu, urang kudu boga usaha jang leuwih hati-hati dina ngomong jeung mariksa identitas jelema nu ku urang ajak ngomong misalna, jang ngahindar tina kasalahan nyebut ngaran batur jeung ngahargaan batur ku nu leuwih bener. Ku kituna penting urang jang mariksa jeung ngakonfirmasi ngaran batur saacan nyebut atawa ngageroan. Ieu jang tanda penghormatan jeung etika nu alus dina komunikasi. Salian eta, mariksa ngaran batur saacan ngageroan oge bisa mantuan nyegah kasalahan, jeung bisa ngahindar tina situasi nu teu nyaman jeung rasa era.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8517", "text": "Lamun anjeun salah nyebut ngaran batur, eta karasaeun pisan ngerakeun jeung kagok. Bisa ngarasa pisan kaliru jeung goreng lamun ningali jalma salah disebut. Anjeun oge bisa ngarasa teu aman jeung sieun nyieun kasalahan nu sarua dina mangsa nu bakal datang. Dina kaayaan sapertos kitu, penting pikeun nyuhunkeun hapunten sareng nyobian ngabenerkeun pikeun ngajaga hubungan anu sae. Urang bisa diajar yen nelepon batur ku ngaran salah bisa pisan ngerakeun sarta ngabalukarkeun masalah. Urang tiasa diajar janten langkung taliti sareng ati-ati dina komunikasi supados henteu ngalakukeun kasalahan anu sami deui. Urang bisa ngarasa isin jeung teu hayang papanggih jalma salah urang sebut.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4699", "text": "Basa keur pandemi covid 19 tahun kamari, urang loba manggihan jelema anu sieun di suntik basa urang kudu di vaksin covid, loba rupa rupa jelema teu nu leutikkeneh nepi ka anu geus gede anu kasieunan basa erek di suntik, aya rupa rupa reaksi kasieunan jelema anu ek di suntik aya anu lucu saperti ngagorowok nepi ka ceurik padahal eta jelema geus gede. Saperti anu urang apal yen vaksin covid harita kan penting jeung wajib pisan bahkan jadi salah sahiji sarat lamu erek neangan gawe atawa erek mamangkatan rek jauh atawa dekeut. Jadi daek teu daek kabeh jelema maksakeun di vaksin.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5156", "text": "Basa nuju di sekre organisasi, abdi kaleungitan HP. Terakhir kalina disimpen dina meja di ruang staf. Tuluy abdi sholat, pas uih deui teh tos teu aya. Icalna saberes sholat ashar. Hape abdi warnana hideung merk Redmi 9T, casingna warna biru dongker. Layar kuncina gambar hideung, aya namian Rengganis di luhureun jam. Ku abdi dipilarian sasekre angger teu aya. Tos di telfonan ku rerencangan teu diangkat wae. Abdi meuni tos pusing sabab eusina data penting sadaya. Nuju kukurilingan neangan, aya hiji anggota nu tadi pamit mulang datang deui. Bari nembongkeun yen hape manehnaa patukeur. Singhoreng mah eta teh hape abdi nu dibawa, nu anjeunna mah aya nuju di charge. Alhamdulillah aya keneh rezekina. Ieu jadi pelajaran pisan jang abdi supaya tong nyimpen hape dimana wae.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5298", "text": "Ditinggalkeun pun bapak jadi salah sahiji kajadian pang sedihna dina hirup abdi. Pun bapak tega ninggalkeun abdi jeung mamah duaan. Indit ti imah belaan nikah deui jeung batur. Nyeuri pisan hate teh moal aya duana. Komo deui ningali pun indung nu kudu usaha demi minuhan kabutuhan kulawarga, ngagantian sosok jeung tanggung jawab pun bapak. Asa teu rela ningali indung nahan kanyeuri hate jeung kapeurih hirup jiga kieu. Ditinggalkeun kunu dipikanyaah. Abdi nyoba sakuat-kuatna ngahibur jeung ngabantuan pun indung supaya bisa mohokeun kasedih ieu. Percaya we beres masalah ieu teh pasti aya hikmahna. Kudu sabar, kudu kiat ngahadapi dunia ieu teh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4415", "text": "Kamacetan geus jadi rutinitas sapopoe pikeun jalma di kota gede kusabab mobilits manusi na loba pisan. Kanaekan jumlah kandaraan pribadi ngajadikeun jalan beuki pinuh, sarta pamustunganana ngabalukarkeun macet. Nanging kitu, sadar atawa henteu , macet busa mangaruhan kana mentalitas pengendara na. Di antarana stress jeung emosi. Stress lamun keur macet teh logis jeung mungkin pisan bakal ngarasakeun stress nu jadi mancing emosi, hususna keur para pagawe. Kumaha henteuna mah, pamenta sangkan bisa nepi ka waktuna kudu ditahan lantaran macet. Stress jeung ambek ambekan kubatan capek oge sieun lamu nepi ka telat nepi ka tempat gawe tuluy di gorowakan ku atasan nana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5233", "text": "Saprak aya wabah covid-19, seueur jalma nu ngakhiri hirupna ku cara nu teu alus, misalna bunuh diri. Hal ieu seueur terjadi di kalangan mahasiswa rantau. Seueur mahasiswa ranta teu tiasa uih ka lemburna sabab lckdown, di kostan ge tos teu aya acis jang nyukupan kabutuhan. Ditambah deui culture shock lingkungan nu biasana rame jadi sepi pisan jiga euweuh kahirupan. Hal ieu teh nyebabkeun mentalna ruksak, janten teu gaduh deui jalan kaluar salian ti bunuh diri. Tah ku ayana kasus nu marak eta, urang bisa diajar bahwa kasehatan mental teh penting pisan jang kahirupan. Yuk urang jaga kasehatan mental ku tong jero teuing mikiran hal-hal nu teu perlu, fokus we kana diri urang sorangan!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2845", "text": "Samemehna kuring jadi calon prajurit TNI-AU 2018 tapi gagal lantaran kabur dina mangsa atikan. Karunya kaditu-kadieu loba nu diuk dina tikar pecel lele lele nu deukeut, tapi euweuh nu hayang ngadeukeutan jeung nulungan, teu nyaho dimana kamanusaanana.\n\nDina sababaraha bentrok jalan, penjahat biasana neunggeul jeung nusuk korban tanpa basa-basi, ngan kabur lamun teu bisa ngalawan deui, ninggalkeun harta disisihkan sabab bisa diteangan tapi teu nyawaan.\n\nLamun senjata api béda carita, ngan angkat dua leungeun lamun diarahkeun ku senjata api! Ulah ngarasa kawas pahlawan ku nyoba tarung, lumpat, atawa nyokot ngilikan pakarang, inget anjeun lain Jackie Chan.\n\nUlah mawa pakarang seukeut ka mana-mana utamana dina dalih ngajaga diri", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2040", "text": "Salah sahiji alasan kudu asup ka Universitas Gadjah Madha nyaeta aya alesan kaluarga nyaeta baheula mah kadua kolot kuring kuliah di UGM, nepi ka ayeuna kampus favorit di Jogja masih dicekel ku UGM oge, bahkan ayeunamah hebel ka kancah internasional kakoncara. Kolot mah sering ngaprovokasi, kudu tiasa kuliah di UGM atanapi henteu kuliah, terus ganti deui provokasina ka upami hoyong kuliah di Jogja, kantun ka UGM, ulah nu lain nu teu puguh dimana-mana. Kolot mah tangtu boga alesan sorangan pikeun ngomong kitu. Kuring ditantang jeung tékad pikeun ngabuktikeun yén kuring ogé bisa kuliah di Jogja, di kampus UGM, anu kompetisi pikeun asupna sengit. UGM kudu asup nepi eleh bongas ge kudu wani, nepi katanjur dibuana !", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5270", "text": "Tips supaya dijauhkeun tina rasa kecewa ka diri sorangan. Nu kahiji nyaeta optimis ngajalankeun hirup, percaya kana kamapuan sorangan. Dina ngajalankeun kahirupan, urang kudu percaya ka diri sorangan, kudu bisa nyayakinkeun diri sorangan yen urang bisangalakukeun sagalana. Nu kadua nyaeta tong babari percaya ka batur. Mun urang babari percaya ka batur, biasana sok kalah dimangpaatkeun hungkul, jeung sok meunang kecewa wae ti batur. Ku kituna, tong deui babari percayaan ka batur. Nu katilu nyaeta apresiasi usaha diri sorangan. Urang perlu ngaapresiasi usaha diri sorangan supaya kahareupna leuwih sumanget. Sabab, sagala hal butuh perjuangan, ku kituna, apresiasi oge jadi hal penting nu kudu diperhatikeun ku urang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1405", "text": "Mun geus libur panjang biasana para siswa utamana lalaki sok datang ku tampilan rambut anu rarapih. Jadi samemeh asup sakola teh geus pasti dicukur heula. Tapi harita urang teu sempet dicukur ku sabab poho, inget-inget teh pas geus peuting. Sapeupeuting mikiran ieu kumaha rambut can dipotong meureunan bakal dicarekan ku guru. Ternyata anggapan urang bener, pas poe Senenna dititah maju ka hareup, ditinggali ku loba jelema sakabeh kelas, urang diteukteuk rambutna dihareupeun murid-murid nu sejen. Urang era pisan nepikeun ka tungkul weh teu wani ngangkat beungeut, ku sabab era diseungseurikeun ku murid-murid jeung jadi conto anu teu bener jang maranehanana. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2189", "text": "Ieu tulisan munggaran kuring. Hapunten upami seueur kalepatan. Saméméhna, kuring murid anyar di kota béda ti kota kuring cicing. Teras kuring muka aplikasi bobogohan kusabab kuring parantos putus sareng mantan kuring dina waktos éta. Isukna kuring papanggih jeung gadis ti dating aplikasi trsbt. Cenah, manéhna geus teu hayang ulin deui sabab umurna geus 25 taun jeung kuring kakara 19. Tapi alatan hobi anu sarua, urang ogé boga frékuénsi anu sarua. Ku éta kuring wani nyoba hirup éta. Manéhna mimitian méré kuring sagalana manéhna bisa. Henteu ngeunaan bahan, tapi ngeunaan usaha anjeunna tiasa. Marengan kuring nalika anjeunna mulih ti padamelan. Atoh, manéhna sok hayang kasampak sampurna dina panon kuring, cenah. Tapi stupidly kuring ngantep manehna turun. Ku sabab kuring kakara putus jeung mantan kuring waktu éta. Kuring masih ngahubungan anjeunna. Pikeun ka-3 kalina. Anjeunna teu tiasa sareng abdi deui. Dedeganana panceg pisan ngantunkeun kuring. Leres, anjeunna Leo anu sombong pisan. Kuring ngarasa dosa pisan. Tapi kuring teu bisa nanaon deui. Barina ogé, kuring ogé kudu narima balukarna., Hapunten. Abdi ngan ukur tiasa janten bagian tina carita baheula anjeun. walaupun arurang sa frekuensi can tentu jodo.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8434", "text": "Teu jarang urang papanggih jeung sababaraha urang anu geus geuleuhan teuing ku tai sato. Teu kapikiran kokotor baseuh, komo kokotor nu garing, renyah ngan ngajerit gelo. Naon wae sikep jeung alesanana, tetep ulah gelo ningali tai sato. Keur sabagean ageung jalma, meureun tai sato teh jadi geuleuh komo hina, malah napsu maranehanana dihina. Pikeun pepelakan, eta bakal salawasna sehat, subur, mekar, ngahasilkeun buah, mekar, sareng bertunas sabab runtah sato eureun dina taneuh maranehanana. Ti dinya tatangkalan bisa ngahasilkeun kadaharan anu mangpaat pikeun sakumna pangeusi bumi. Pikeun urang nu gawena peternak, beuki loba kandang sato, leuwih untung. Anu jadi urang peternak boh patani moal sesah neangan pupuk alam. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "623", "text": "Mimiti kanyahoan aya panyakit kulit teh nu nyebar dina anggahota awak teh nyaeta pas geus ti dokter. Sabab geus nyaho ti dokter lamun panyakit kulit urang teh euweuh ubarna tapi ngan aya ubar ngameh teu arateul teuing. Saberes ti dokter teh dina motor urang mikiran tuluy kana panyakit nu aya tina awak urang. Ti sajajalan perjalanan balik urang ngalamun da ku bakat reuwas tea sieun kunanaon nu intina mah sieun nepa ka batur. Tapi inget dokter ngomong lamun panyakit ieu teu nepa, ari pas inget kadinya mah hate teh reugreug teu reuwas teuing. Nepi ka imah teh urang langsung bebeja ka kolot naon nu geus diomongkeun ku dokter.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9232", "text": "Harita pas dibagikeun nilai ujian matematika, ceuk Bu Guru teh aya dua siswa anu jawabanna persis sarua, nepi ka jawaban nu salahna oge sarua. Dipanggil weh duanana, nyaeta Arip jeung Ipang. Ditaros weh ku bu guru teh saha nu niron? si Ipang ngaku yen manehna nu niron jawaban Arip, bakat ku kesel si Arip nabok tonggong si Ipang. Pedah jawabanna sarua, duanana dititah nari jaipong di hareupeun kelas. Awalna Arip mah embungeun, da manehna mah teu salah, tapi ceuk Bu Guru teh geus kagok ka hareup jadi weh dititah maturan Ipang joget. Lainna joget jaipong, maranehna kalah joget siga doger monyet teu puguh, nya guling-guling, nyo'o sapu dijadikeun kukudaan, pokona jadi kalah ngabodor di hareup teh. Atuh arurang nu dariuk teh sareuri ngagakgak. Saanggeus eta, duanana balik ka korsina maing-masing. Ceu Bu Guru kusabab geus dihukum jadi teu kudu di remed deui. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2580", "text": "Meureun keur sabagian jalma, iinditan téh kawas hiji kagiatan biasa. Pindah ti hiji tempat ka tempat séjén, boh leumpang atawa maké moda transportasi. Lalampahanna ukur katémbong nutupan jarak pikeun nepi ka tujuan. Nanging, aya ogé anu nganggap yén perjalanan mangrupikeun prosés anu bermakna. Hartina, lain ngan saukur nutupan jarak pikeun nepi ka tujuan ahir. Ku kituna, lalampahan kudu dipigawé ku ngarasakeun lalampahan sorangan. Ngarasakeun perjalanan hartina urang bisa ngarasakeun sensasi lalampahan sakabéhna. Henteu janten masalah upami perjalanan nyandak sababaraha jam, atanapi ngan ukur perjalanan rutin ka tempat damel atanapi sakola. Ngarasakeun perjalanan ogé hartina narima rupa-rupa kaayaan anu karandapan dina perjalanan, salah sahijina nyaéta macét. Ngarasakeun kaayaan macét? disada preposterous sarta ngan freaks pikir eta bisa dipigawé. Nanging, naha leres kamacetan tiasa dinikmati?", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5170", "text": "Bagi abdi, pangalaman ngabungahkeun teh sanes wae kudu ku jalan-jalan jah, tapi tiasa oge kunu deukeut, misalna jalan-jalan ka Batu Kuda Manglayang. Ceuk abdi mah ku jalan-jalan ka tempat eta ge tos cukup atoh. Di Batu Kuda ge seueur pamandangan endahna. Mimiti asup, urang bakal manggihan warung-warung jeung spot foto tulisan Batu Kuda. Tah mun leumpang deui ka belah kenca, bakal nempo pamandangan hejo camping ground nu lega jeung aya panggungan oge, ngahaja paranti raramean mun akhir pekan. Tah leumpang na ka belah katuhu, aya tempat caping oge nu aya sumber caina. Tempatna lega ngan bentukna mudun, beda punggungan jeung tempat asup. Tah saberes camping ground teh mun tuluy leumpang ka luhur aya darmaga paranti popotoan nu pamandanganna Bandung Timur.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6878", "text": "Salaku mahasiswa, abdi ngiringan seeur kagiatan mahasiswa di kampus. Unggal abdi ngiringan kagiatan, abdi pasti ngalakukeun anu pangsaena anu tiasa abdi pasihan. Upami aya diskusi, abdi aktif masihan ide. Upami aya patarosan, abdi ngajawab sakumaha nu abdi apal. Lamun dititah maju ka hareup, abdi janten anu kahiji anu maju. Sadayana abdi lakukeun lantaran hoyong diajar sagala rupi, hoyong nyobian seeur pangalaman. Abdi oge resep upami dipiwarang janten pamingpin lantaran abdi resep papanggih jeung rerencangan anyar. Hiji waktos di akhir rangkaian kagiatan kabeh peserta dikumpulkeun lantaran bade aya penghargaan kanggo peserta terbaik. Abdi teu nyangka abdi janten salah sahiji peserta anu disebut namina.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1016", "text": "Hiji poe keur balanja ka mini market nu 24 jam, harita teh urang keur mondok di kota tempat urang liburan. Sabab peutingna lapar, jadi meuli sababaraha hiji cemilan jang dibawa ka kamar. Pas urang keur milihan produk nu rek dibeuli, ujug-ujug aya dua urang nu asup bari mawa pestol. Nu hiji deui mah nungguan di panto kaluar. Mimitina pelaku eta nodongkeun senjata ka kasir mini market, manehna menta duit jang dikaluarkeun tina wadah duit kasir. Urang oge nu jadi pelanggan jadi imbasna, ditodong ku pestol. Sabab urang teu mawa barang berharga, jadi urang teu dipenta nanaon. Urang tungkul nepikeun ka pelaku eta indit.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5224", "text": "Tos sabulan pun mamang teh teu damang dirawat di rumah sakit. Main hari kondisina makin buruk wae. Wengi, pun mamang teh ngantunkeun pisan da tos teu kiateun meureun mayunan panyakitna. Isuk-isukna langsung dicandak make ambulan ka bumi di lembur. Kacida sedih jeung kacewana sabab teu bisa nyumponan kahayang mamang nu terakhir, nyaeta emam melon. Rencana na poe ayeuna dipeserkeun melon teh, kalah wengi kaburu pupus. Gusti asana teh meuni sedih pisan rarasaan teh. Biasana mamang nu sok ngahibur di kulawarga teh, ayeuna mah nyieun kabehan ceurik sedih. Tapi teu nanaon, sing tenang we didituna, Mang. Nu didieu mah tos ikhlas sagala-galana.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4428", "text": "Biasana dina hiji lingkup babaturan boh di lingkungan imah atawa di sakola pasti aya wae jelema anu sok pulah pilih babaturan jeung sok embung ulin atawa ngajauhan babaturan anu sejena. Pulah pilih babaturan didieu hartina goreng, kusabab pulah pilih na biasa di tingali tina rupa pisik na jeung beungharna misalkeun sok aya wae jelema anu hayang boga babaturan teh anu geulis jeung kasep hungkul tuluy anu beunghar loba duitna. Urang teh teu meunang pulah pilih lamun ngan dumasar tina dua jinis kitu. Eta teh ka asup sikep perlakukeun babaturan teu adil, eta teh sikep anu kacida goreng na. Urang teh ulah boga kalakuan kawas kitu kusabab bisi ngadatangkeun masalah ngke na, jelema anu teu di perlakukeun teu adil bakal nyeri hate jeung ambek teu tarima di parlakukeun kitu tuluy bisa ngajadikeun pasea.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3034", "text": "Badan Penelitian dan Pengembangan Transportasi sareng Kemitraan Kasalametan Jalan Indonesia sareng Komite Kasalametan Transportasi Nasional parantos nyusun rekomendasi pikeun ngantisipasi kacilakaan anu disababkeun ku rem atanapi kagagalan rem. Aya sababaraha hal anu ngajadikeun kagagalan rem jadi scourge di jalan nalika nyetir, sarta kumaha urang kudu ngubaran rem kandaraan. Anu kudu diperhatikeun samemeh indit-inditan, kumaha cara urang nungkulan jalan anu mudun jeung jalan anu berkelok-kelok, boh anu panjang boh anu pondok, ngabalukarkeun kampas marake panas, sarta kumaha cara nyaho jeung ngungkulanana.\r\nPariksa yén komponén rem aya dina kaayaan alus saméméh nyetir. Anu kedah diperhatoskeun nyaéta mastikeun yén pedal marake tiasa dianggo sacara normal ku mencét rem dugi ka 7 dugi ka 10 kali. Pikeun Brake Booster, penting pikeun nengetan jarak balik pedal, upami pedal turun laun, sistem booster normal. Ogé kudu nengetan wates maksimum sarta minimum pikeun tingkat cairan marake. Campuran minyak rem henteu disarankeun sabab bakal mangaruhan titik-titik cairan marake. Titik-titik anu henteu pas bakal ngagancangkeun prosés ngagolakkeun cairan rem sareng pilek. Jeung paling importantly, ngaganti cairan marake rutin.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7290", "text": "Tos opat bulan nikah, rerencangan abdi sareng salakina teu hoyong geura-geura gaduh murangkalih lantaran aranjeunna hoyong fokus duaan heula. Tapi anu namina murangkalih mah tos takdir ti Gusti Allah, bade sakumaha ditahan-tahan oge lamun tos waktosna gaduh murangkalih mah ku Alloh bakal dipasihan rejeki. Di sasih kalima pernikahan aranjeunna rerencangan abdi nyarita yen manehna tos telat teu haid. Manehna biasana nyerat jadwal haid dina aplikasi, jeung pasti sasuai jeung anu diprediksi ku aplikasi. Tapi ayeuna manehna teu acan haid padahal dina aplikasina kedahna menahna haid poe ieu. Abdi langsung nyarankeun manahna kanggo tes kahamilan, nyaeta tespek. Manehna teu nyangka yen manehna bakal gaduh murangkalih di yuswa manehna anu masih dua puluh dua taun. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "329", "text": "Kagagalan lain akhir tina sgalana, hirup bakal tuluy jalan sanajan urang gagal terus-terusan. Urang kudu hudang jeung balik deui ajeg jang kahareupna. Kudu boga kakuatan nu gede jang ngalawan eta kabeh. Kakuatan eta nyaeta Gusti Allah SWT. Sabab gagal bisa jadi alesan jang urang ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT. Ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT nyieun urang mibogaan kakuatan nu gede jang nyanghareupan pasualan. Euweuh masalah nu teu bisa dibereskeun lamun urang ngalibatkeun Allah SWT. Pertolongan Allah SWT lega jang hamba-hamba nu salawasna nginget jeung ngagungkeun Allah SWT. Bakal aya harepan jang malikeun sumanget nu geus pernah pudar. Ngameh urang mibogaan kabagjaan jeung kasuksesan di dunya oge meunangkeun sawarga di akherat.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "305", "text": "Menteri Ketenagakerjaan (Menaker) Ida Fauziyah nyebutkeun aya 10.765 kasus pemutusan hubungan kerja atawa nu disebut PHK per bulan September 2022. Jumlah eta diaku turun ti dua taun saacanna. Dumasar kana data paparan Ida, PHK berdampak ka 18.911 karyawan taun 2019. Angkat eta naek pas 2020 anu total 386.877 kasus. Ngan turun pas taun 2021 ka angka 127.085 anu akhirna ayeuna turun deui ka 10.765 per bulan September 2022 ieu. Ida oge ngajelaskeun penurunan jumlah penduduk usia kerja (PUK) nu kadampak ku Covid-19. Pas Agustus 2020 kacatat aya 29.12 juta pagawe nu kadampak Covid-19, tuluy turun ka angka 21,32 juta pagawe pas Agustus 2021.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5600", "text": "Uih didamel, Meri langsung mandi tuluy istirahat di kamarna. Meri teu sempet dahar sabab geus cape pisan. Pas Meri rek sare, bapakna miwarang Meri ka ruang tamu heula jang ngobrol. Tuluy Meri nurut we ka ruang tamu. Ai pek teh ruang tamu na poek pisan, lampuna dipareuman. Meri ngageroan bapak jeung mamahna, tapi euweuh nu nembalan. Meri tuluy indit ka deukeut panto jang ngahurungkeun lampu. Pas lampu hurung, singhoreng mamah jeung bapakna nyiapkeun sirprise ulang taun mangrupa kue spesial buatan mamahna jeung hiasan booth popotoan. Meri ngarasa atoh pisan, orang tua na masih ingeteun kana poe ulang taunna. Beres popotoan, Meri tuluy makan bareng jeung orang tuana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3016", "text": "Kitu caritana, waktu urang turun ti Gunung Lawu keur istirahat di tengah leuweung kalawan kacapean nu kacida, ujug-ujug ditarajang ku puluhan monyet nu najan teu ngancam, tetep semu nyingsieunan. Urang panik. Kumaha carana kaluar tina ancaman puluhan monyét anu sigana kalaparan bari ngan aya hiji jalan pikeun ngahontal base camp sarta geus dieusian ku grup monyét. Kabeneran dina kantong urang aya kénéh sakeupeul roti bodas ditinggalkeun. Urang ogé motong roti kana potongan leutik, sarta satengah ngajalankeun grup kami nyebarkeun potongan roti di kénca jeung katuhu tina jalur anu dieusian ku grup monyét. Alhamdulilah monyet kaluar tina jalan jeung lumpat nangkep potongan roti nu urang nyebarkeun. Urang ogé ku panik saeutik lumpat ka handap jalan leueur ka handap tur nyalametkeun urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7239", "text": "Syarat kanggo kuliah salah sahijia nyaeta masihan surat sehat di puskesmas. Lantaran sakedap deui bakal daptar ulang kuliah abdi langsung ngadatangan puskesmas paling dekeut di imah. Mimitina abdi diukur beurat awak dina timbangan, teras diukur tekanan darahna. Pas tos ditensi dokterna naros bisi abdi ngarasa lieur dina sirah latawa lemes antaran tekanan darah kuring teh rendah pisan. Dokternan nyarankeun kedah dipariksa deui minggu hareup. Minggu hareupna abdi datang deui ka dokter teras diparios anu langkung lengkap jeung seeur. Hasilna, abdi gaduh panyawat hipotensi. Abdi teu nyangka lantaran salila ieu abdi tara ngarasa nanaon. Abdi teras dipasihan resep ku dokter kanggo ditukerkeun di apotek.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2046", "text": "Abdi leres-leres henteu nyangka naon anu bakal kuring kéngingkeun nalika muka pengumuman SBMPTN kaping 19 Juni 2020. Abdi kéngingkeun ucapan salamet ti LTMPT sareng ngan ukur refleks kuring nyarios ka kulawarga sareng nangkeup aranjeunna (sadayana puji ka gusti kuring ngagaduhan kulawarga anu salawasna ngadukung kuring. ). Alhamdulillah abdi tiasa ngahontal naon anu abdi pikahoyong sareng abdi yakin yén éta mangrupikeun rencana anu pangsaéna pikeun abdi. Perjuangan kuring henteu ngan ukur di SBMPTN, meureun atanapi bakal seueur deui tantangan, ujian, sareng halangan anu kedah dilalui ka hareup. Insyaallah abdi bakal ngusahakeun anu pangsaéna. Janten abdi kudu rancekas jeung rancage rukun digawe dina ngarepan kuliah diharep.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8436", "text": "John sok ngarasa geuleuh iraha wae manehna bau hal hanyir. Anjeunna teu tiasa nangtung deukeut jalma anu dahar kadaharan goreng, atawa malah bau bau sato goreng. Anjeunna sok nyeri beuteung sareng seueul iraha wae anjeunna ngambeu bau hanyir. John eta pisan depresi kusabab masalah ieu. Anjeunna teu tiasa liburan ka nagara anu bau has, sapertos Thailand atanapi India, kusabab sieun kaganggu ku bau anu goreng. Anjeunna oge hese berinteraksi sareng jalma sanes kusabab anjeunna sok geuleuh ku bau aranjeunna. Hiji poe, John mutuskeun pikeun neangan pitulung. Anjeunna angkat ka ahli terapi anu nyarios yen anjeunna tiasa gaduh phobia khusus, nyaeta phobia bau. Terapis nyarankan John pikeun ngalakukeun terapi behavioral, dimana anjeunna bakal diprogram mikir pikiran positif iraha wae manehna bau hal amis.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "728", "text": "Saha nu hayang di salingkuhan? Tangtuna ksbeh oge embung. Komo di salingkuhan ku jelema nu dipikacinta mah. Harita keur mah cape balik gawe teu sangaja ninggali manehanana keur duaan jeung lalaki sejen. Kahayang mah mun geus bosen atawa teu hayang deui jeung urang tinggal ngomong, da urang oge moal maksa manehanana sangkan tuluy babarengan jeung urang. Mimitina mah teu narima, malah ngambek ka lalakina. Lantaran manehanana ngarebut kabogoh urang nu geus lila bobogohanna teh 2 taun. Tapi da moal aga haseup mun euweuh seuneu. Ku kabogoh urangna wae ge diladenan lalaki eta teh. Da meureun sarua papada hayang. Ari geus kieu mah dek kumaha deui, cinta teu bisa dipaksakeun. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7557", "text": "Lamun geus ngmpul-ngumpul sareng rerencangan lalaki nepikeun peuting biasana lamun geus balubar teh maranehna sok ngarinum alkohol. Abdi sok keheul ningalina lantaran abdi mah gaduh prinsip yen nginum alkohol teh moal matak ditarima sholatna nepikeun opat puluh poe sanajan ngan sakeclak oge. Abdi teu tiasa ngomong nanaon ka manehna lantaran bingung kumaha mapatahanna, nginum peuting-peuting tos janten kabiasaana maranehna. Hiji poe urang sadayana nuju datang ka ceramah ustad di caket imah arurang. Dina ceramahna, ustad nyaritakeun pangalaman anjeunna nginum nepikeun aya rerencanganna anu maot dihareupeun anjeunna anu ngajadikeun anjeunna taubat. Ti kajadian eta rerencangan abdi mulai ereun nginum lantaran sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4445", "text": "Pulitik SARA bahaya pisan lamun terus boga tempat di Indonesia. Ku kituna, salaku generasi milenial, kudu pinter. Millennials oge diwajibkeun aktip utamana nyaring berita hoax anu beredar di media sosial ku ngalaporkeun ieu ka otoritas. Kontribusi masing-masing pihak oge pohara diperlukeun pikeun ngawujudkeun masarakat anu luwih berkualitas. Ku ayana bahaya ngagunakeun isu SARA, generasi milenial bisa neruskeun kampanye gerakan positif anu bisa ngajaga kondusif nyaeta anu pangpenting na mah wani, tegur tegas lamun aya anu masih ngajalankeun politik sara, tuluy urang oge kudu nyontohan misalkeun ulah nyebut ngaran jalma dumasar kana etnis, ulah nangtoskeun sareng mikir négatip ngeunaan etnis, agama, ras jeung sajabana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7861", "text": "Isuk-isuk, abdi sareng rerencangan nunu milarian emameun kanggo sarapan, maklum anu ngaranna budak kosan mah sok meser sarapan di luar meh gancang lantaran kadang sok teu aya waktos kanggo masak sorangan. Tadina mah abdi bade meser di warteg meh murah, tapi teu jadi lantaran geleuh ningal dapurna kotor pisan loba cucunguk jeung beurit. Abdi oge teu kahaja ningal pas manehna ngagoreng tahu anu geus labuh tapi kalahkah diasupkeun deui kana piring kanggo disajikeun. Tempat nyimpen dahareunna oge geus kotor jeung karatan, siga nu teu pernah digentos sababaraha taun. Abdi langsung hayang utah ningal dahareun anu disajikeun di warteg eta. Ti kajadian eta abdi teu pernah deui meser dahareun di warteg.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9153", "text": "Utah atawa emesis nyaéta ngaluarkeun paksa eusi burih anu lumangsung ngaliwatan baham sarta sakapeung oge ngaliwatan irung. Utah oge bisa disababkeun ku rupa-rupa kaayaan, bisa jadi respon husus tina maag atawa racun. Bisa ogé alatan kaayaan lambung atawa burih anu gering. Aya dua rupa utah anu kaluar tina lambung urang, nyaéta utah anu mangrupa kadaharan anu didahar ku urang anu geus diolah ku lambung, jadi warnana béda-beda. Utah anu sapertos kieu anu biasana ngajadikeun jalma sanés ngarasa jijik nalika ningali éta. Aya ogé utah anu henteu warnaan atanapi bening. Utah anu bening biasana lumangsung sanggeus urang utah sababaraha kali, anu sacara éféktif ngosongkeun eusi dahareun tina lambung urang. Utah bening ogé bisa disababkeun ku obstruksi saluran kaluar lambung sarta tatu dina sirah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2560", "text": "Kuring boga, sarta écés kuring komunkasi ka kabogoh kuring, anu engké jadi salaki kuring, saméméh satuju kana uleman na nyandak hal leuwih serius.\nDi antarana, kuring baris babagi Top Lima:\nAbdi bébas nganyatakeun diri sareng pendapat abdi, sareng ogé pasangan kuring. Urang kudu diajar ti ayeuna jadi nyaman bisi bener kudu béda, iwal ti hal anu prinsip. Sok akur teu mungkin.\nSatiap paménta dukungan, boh dana, perhatian atanapi pikiran anu nyéépkeun waktos ti kulawarga urang, kedah dipikanyaho ku pasangan. Euweuh carita méré duit cicingeun, contona.\nBIG NO pikeun selingkuh. Abdi hoyong janten hiji-hijina pamajikan, kitu ogé fokus perhatian na ngeunaan minuhan kabutuhan na berinteraksi sareng awéwé.\nSalaki mangrupa kapala kulawarga anu kudu dihormat, diutamakeun jeung menta idin naon-naon pamajikan di luar kalungguhan pamajikan. Hartina, kuring moal narima pagawéan, lamun salaki teu satuju. Abdi mah teu acan ngiring reuni, upami salaki ngabantah. Anjeunna nomer hiji, ngan hiji tur salawasna.\nPerkawis poin ka hiji, usaha pisan supados henteu aya masalah anu janten kronis, berkepanjangan. Amarah anu ageung ngan ukur 3 dinten, amarah anu remeh kedah réngsé sateuacan waktos solat salajengna. Rugi lamun teu babarengan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9225", "text": "Tadi peuting kuring diajak dahar bakso jeung kolot. Lamun ngadahar bakso bakal jadi lada pisan sabab kuring resep pisan lada. Tapi kuring poho yén isukan téh poé sakola, kuring pasti bakal nyeri beuteung di sakola engké. Tapi nepi ka isuk ieu kuring teu ngarasa nanaon jeung ngarasa alus wae. Nepi ka waktu kelas keur lumangsung, kuring ujug-ujug ngarasa nyeri beuteung jeung hayang hitut oge, tapi kuring di kelas keneh, sieun aya batur nu ngambeu. Kuring nyorongkeun korsi kuring sarta pindah ka posisi tukangeun pikeun ngaluarkeun hitut, tapi teu disangki tetela hitut kuring gede pisan, tur bisa kadéngé ku sakelas. Sarerea neuteup ka tukang pikeun manggihan saha palakuna. Kuring nu jadi puseur perhatian langsung éra, ahirna menta idin ka guru pikeun ka WC, pedah ku éra kuring lumpat ka kamar mandi. Saprak harita kuring teu hayang deui dahar bakso lada mangsa sakola.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9560", "text": "Kasedih mangrupikeun bagian anu teu tiasa dihindari tina kahirupan. Sarerea pasti geus ngarasa eta, kaasup urang sadaya. Nanging, naha anjeun terang yen kasedihan anu paling jero biasana asalna tina rasa gagal? Tangtu, nalika urang ngarasa geus usaha samaksimal mungkin tapi tetep teu hasil dina ngahontal cita-cita atawa impian urang, perasaan gagal pasti bakal karasa nyeri kacida. Sanajan kitu, urang ulah nyerah. Urang kedah emut yen kagagalan mangrupikeun kasempetan pikeun diajar sareng tumuwuh. Kagagalan mangrupikeun pangalaman anu berharga anu bakal ngajantenkeun urang langkung kuat sareng langkung siap pikeun nyanghareupan tantangan di hareup. Janten, upami anjeun sedih kusabab gagal, tong ngantepkeun perasaan eta ngaruksak tekad pikeun ngahontal cita-cita. Hayu urang bangkit sareng janten langkung sae deui tibatan sateuacanna!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2446", "text": "Kamari bapa ngajak balanja ka toko Cahaya. Toko anu ageung sareng megah tilu lantai. Bapa ngajak ka warung. Di jerona aya rupa-rupa barang anu dijual. Aya barang-barang rumah tangga, alat tulis, sapatu, tas, sareng sagala rupa cocooan anu saé. Aya seueur jinis boneka ogé.\r\n\r\nSajauh ieu kuring can kungsi dibere bonéka ti bapa. Abdi hoyong bonéka. Dina rak wétan aya hiji bonéka lucu pisan, abdi hoyong gaduh. Kuring ngahontal éta teras nangkeup, karasana lembut sareng nikmat. Tapi bapa ngajak kuring ka toko Cahaya sanés ngagaleuh bonéka, janten abdi henteu ngagaleuh éta boneka. Kuring ngaharéwos mulangkeun éta bonéka ka tempatna. Nepi ka beberasa bari neuteup keneh, rada kuciwa.\r\nBapa mikeun kotak gedé. Panasaran, kuring muka kotak sareng mendakan éta boneka anu dipikahoyong.\r\n\r\n“Pa, Sena resep pisan kana éta boneka. Janten, abdi ngagaleuh,\" saur bapa, neuteup ka kuring.\r\n\r\nAlhamdulillah, impian kuring geus kawujud. Abdi bungah pisan, kuring nangkeup bapa sareng hatur nuhun ka bapa. Tétéla bapa nyiapkeun kejutan tadi nalika anjeunna indit jeung kuring.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7793", "text": "Nuju ngeunah-ngeunah dahar, abdi ningal jalmi dihareupun abdi jol utah. Sabenerna mah abdi sanes jalmi anu geleuhan ningal kokotor kitu, tapi lantaran nuju emam Pop Mie di stasion, abdi langsung ereun dahar lantaran eta utahna muncrat ka mamana sabari bau. Sigana mah si teteh anu utah eta teh karek dahar sangu koneng, matak utahna oge warna koneng. Ngabayangkeun sangu koneng anu geus jadi utah kitu abdi langsung hayang utah oge, teras buru-buru ngalih ka tempat anu sanes lantaran bauna nguar pisan teu katahan sanajan geus nutup hirung, sanajan geus make masker oge tetep bau. Untungna eta utah langsung diberesihan ku patugas. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5142", "text": "Zaman ayeuna, urang gampang neangan panghasilan tina jualan online. Jadi jualan teh teu kudu usang-asong ayeuna mah, aya market place na nu ngajadikeun urang leuwih efektif jeung efisien. Tah tina hal eta, urang bisa ngahasilkeun panghasilan sorangan, jang nutupan kabutuhan oge jang nyumponan kahoyong. Tong hilap urang oge kudu pinter nyisihkeun eta panghasilan sabagianna jang nabung. Nabung teh penting pisan jang kahareupna. Bisi aya hal teu diduga nu nipa urang, mending we ai aya acis na tabungan mah. Tah ku kituna baraya, hayu ah ti ayeuna urang bisakeun nabung, boh leutik boh gedena, nu penting bisa nyisihkeun jang kaperluan jangka panjang urang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "683", "text": "Batur mah sakostan teh ku sorangan lantaran ngameh lalega, tapi beda deui jang urang jeung si Fadli mah nu sakostanna duaan. Lain embung ku lalegana tapi meh rada irit, komo duit beasiswa mindengna telat mah. Indit kuliah teh si Fadli mah rek ijin cenah da rada teu ngeunah awak, katinggali teh keur gogoleran wae dina kasur. Urang pamitan tuluy balikna teh sore jam 5-an. Pas muka panto teh, nu awalna kamar kost teh saayana ayeuna mah dihias bari aya tulisan \"Happy Birthday\" amu mgabemtamg ti sisi tembok katuhu jeung kenca. Ditambah aya balon warna emas nu nempel ditiap-tiap sisina teh. Reuwas sakaligus hayang ceurik soalna jauh ti kolot tapi ngarasa boga kulawarga.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "763", "text": "Di kuliahan mindeng miluan kapanitiaan tapi sok jadi staff wae, henteu jadi kepala divisi. Mun aya rapat atawa berpendapat, biasana urang nu sok rajin ngacungkeun leungeun. Tapi ku sabab urang mah di divisi biasa lain divisi penting pas acara, nyaeta divisi nu sok ngakut-ngakut barang, jadi pendapat urang teu diperhatikeun, malah mah siga angin berlalu. Nu padahal urang berpendapat kitu teh ku sabab geus boga pangalaman pas keur di sakolaan SMA. Tapi maranehna teu ngahargaan, kalakah mindeng dipotong pembicaraan pas keur ngemukakeun pendapat. Urang sok ambek tapi ambekna cicing ngabetem, da bisi suasanana jadi ruwet jeung teu kondusif, komo pas keur rapat.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "721", "text": "Hubungan tangtuna teu bakal mulus wae, bakal aya rasa jenuh atawa bosen. Ieu nu kaalaman ku kabogoh urang, naha bet apal lantaran pas ditanya jawabanna teh kitu. Sabenerna harita urang keur ngawas UTS di kampus, ngawas peuting teh sabab nu UTS na kelas karyawan, jadi diayakeunna sok peuting. Teu lila ngawas, smartphone urang ngageter. Ku urang ditinggali geuningan si Heru, urang reflek ngangkat tapi ka luar heula ngameh nu sejen teu kagandengan. Kecap nu kaluar tina omongan si Heru teh mimiti \"Gawat, gawat euy\" \"Naha aya naon?\" Urang ngajawab bari reuwas. \"Ieu kabogoh maneh keur jeung lalaki sejen di Mc Donalds\". Urang reuwas sabari ambek bari nyiapkeun kecap naon pas panggih.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6092", "text": "Salila ieu, kasus nu kacilakaan nu loba tejadi teh disebabkeun ku masalah rem blong. Hal ieu teh disebabkeun kurang sadarna kana pemeliharaan kandaraan jeung kurangna kasadaran kana pengecekan rutin bagian kandaraan. Komo mun kandaraan nana nu gede mah jeung leuwih muatan nana mantak gede resiko kana rem blong sabab kadorong ku muatan beurat anu berlebih. Mantak, samemeh make kandaraan teh kudu bisa mastikeun yen eta remna berfungsi jeung bisa aman mun dipake! Ulah nepi ka cilaka sabab ku polah sorangan. Yuk ti ayeuna mulai tanamkeun kaselamatan berkendara dina diri sorangan supaya leuwih waspada jeung hati-hati. Tanamkeun yen rem teh jadi bagian paling penting dina berkendara.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3339", "text": "Penyanyi Marcell Siahaan gaduh pangalaman anu unik nalika manggung dina pamandangan seni. Kusabab aktif teuing, calana Macell sobek nalika nyoba naek panggung. Panyanyi lagu Peri Cintaku ieu ngébréhkeun pangalaman pikaseurieun ka Alvin Adam dina program Alvin & Friends anu ditayangkeun di INews TV tanggal 21 Oktober 2019. Mimitina, Alvin Adam nyebut Marcell anu ekspresif di panggung. Aya pangalaman dina kasenian pintonan (pensi). Janten kuring pura-pura turun panggung teras naék ka panggung anu lumayan luhur. Abdi kedah milarian halangan pikeun naék, henteu. Kuring langsung naék, bisa naék luncat, tapi calana teu naék. Pas naék, dirobek ti handap ka tukang, \"ceuk Marcell. Marcell ogé ngarasa untung sabab panongton, anu lolobana barudak sakola, teu kapikiran ieu rek era basa eta teh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7315", "text": "Lamun jalmi nuju lapar biasana sok katingal sifat aslina. Jalmi anu mentingkeun diri sorangan pasti moal babagi, jalmi anu teu paduli ka batur pasti bakal ngalakukeun naon wae kanggo meunang dahareun pangheulana, jalmi anu maruk pasti nyandak dahareun panglobana. Abdi sareng rerencangan ngalaman eta pas nuju ngantri dahareun di ondangan. Pas eta teh kondisina seeur anu teu acan sarapan, jadi tamu ondangan teh paboro-boro kanggo nyandak dahareun. Pas abdi nuju ngantri datang saurang anu ojol-ojol nangtung ditenga barisan, teu lila datang deui dua urang anu datang ka tengah barisan eta, beuki lila beuki seeur. Tungtungna mah ibu-ibu anu aya di tukang langsung ambek ka maranehna lantaran beuki lami ka tukangna lamun diserobot. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2156", "text": "Abdi hoyong ngabagikeun sakedik carita kuring. Jalma-jalma di sabudeureun kuring terang kuring salaku jalma anu pinter, sakola karesep, bakal suksés, tiasa asup ka PTN anu pangsaéna. Hahaha tapi kanyataanana berbanding terbalik. Ieu kagagalan kuring: SNMPTN ITB, kalayan peunteun lumayan alus, kuring percaya diri ngalamar ka ITB, tapi sigana mah gagal. SEDIH? OH PASTI. Bendu pisan ka Gusti. Naha éta kudu gagal?\r\nBeasiswa Mitsui Bussan, éta paling émosional. Kalayan sagala persiapan, diajar? Geus, begadang keur tes tulis Mitsui. Tétéla éta dibatalkeun ujug-ujug alatan COVID19. Abdi ambek pisan. Hate virus corona. Naha kudu aya virus corona? Nyaan ngaganggu.\r\nSaterusna ahirna SBMPTN UGM, UNAIR. Diajar kalawan persiapan nyukupan, ulah teuing gaya. Kalayan optimis tiasa lulus SBMPTN. Nepi ka diédit hasil lulus SBMPTN tuluy dicitak. Salami TO oge nalika dirasionalkeun abdi tiasa lebet. Tapi kaleresan? Hahaha teu lulus. Tapi kuring henteu émosional siga baheula. Kantun nampi deui. Tong ceurik, entong turun, éta normal.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "381", "text": "Keur SMP, urang boga babaturan awewe ngaranna Aas. Aas teh pindahan ti kelas sejen, alesanna pindah teh sabab kelasna aya di lantai tilu, sedengkeun kelas urang aya di lantar dua deukeut tangga oge. Aas boga panyakit nu matak manehanana ulah kacapean. Ti poe harita Aas pindah, geus jadi babaturan deukeut. Sakapeung mah lamun urang indit ka sakola sok dijemput sabab imahna kaliwatan ku urang. Sok sering tara asup ka sakola, lamun panyakitna keur karasa deui. Hiji waktu pas indit ka sakola, teu biasana wali kelas asup ka kelas pas lain jam pelajaranana. Rek ngabewarakeun lamun Aas tos tilar dunya. Urang ceurik, geuningan teu kungsi lila jadi babaturan Aas teh ngan aya 3 bulanan. Harita keneh balik ti sakola langsung ka imahna jang ngalayad.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "394", "text": "Hirup sorangan nyatana teu alus jang kasehatan. Ieur dibuktikeun ku studi di jurnal BMJ anu nganalisis 4.835 sampel getih ti lalaki jeung awewe. Hasilna teh lalaki nu geus cerai atawa hirup sorangan salila mangtaun-taun mibogaan tingkat peradangan nu paling luhur. Tapi mun awewe mah efek ieu teu manggihan. Jadi peradangan ieu teh mangrupakeun awal ayana panyakit kronis. Peradangan teh jadi faktor utama nu nyebabkeun panyakit jantung jeung kanker. Lamun teu geura-geura diomean bakal ngaruksak organ jeung bakal berkembang jadi panyakit. Kondisi kieu oge bakal ningkatkeun resiko maot ngora. Ku sabab kitu tiap lalaki kudu ningkatkeun gaya hirup anu sehat jeung loba bersosialisasi jang ngurangan kesepian, oge dahar kadaharan nu bergizi, olahraga nu teratur, jeung istirahat anu cukup.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1045", "text": "Geuningan di pangajian oge mindeng di-bully nepikeun ka sieun rek ngaji teh. Urang sok diporosotkeun, atawa dicepret ku sarung nu geus dibuntel. Eta sakali neunggeul teh karasa nyeri pisan, komo sok diarahkeunna teh kana beungeut. Matak sok langsung nyisi bari dongko, tuluy leungeun nutupan beungeut ngameh teu nyeri-nyeri teuing. Sakapeung mah nu duaan deui nyepengan dua leungeun urang, jadi beungeut urang kabuka nu tuluyna dicepret ku sarung tea. Ti saprak eta nepikeun embung deui ngaji, da mun geus balik ngaji teh sok gereundeuk awak teh. Tapi ustadna sok nyampeurkeun ka imah ngabujuk urang, jadina urang hayang deui ngaji sanajan masih sieun di-bully.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "273", "text": "BJ Habibie anu sok dipanggil Eyang nyaeta salah sahiji presiden Indonesia anu ka-3. Penampilanna anu nyentrik beda jeung presiden sejenna. BJ Habibie identik jeung kopeah warna hideung, pakean naon wae ge nu dipake misal jas, batik, nepika baju koko, pasti dipake wae kopeah hideungna. Kacamatana ge nambahan kesan someah lamun ditinggali dina rarayna. Sanajan ngembangkeun elmu pesawat di Jerman, tapi Habibie tetep mikanyaah ka Indonesia, eta dibuktikeun ku sok makena baju batik panjang. Habibieu oge sok make syal warna bodas jang ngahaneutkeun awak. Tapi syal nu dipake teh sok katinggali sarasi jeung tampilanna. Biasana sok dipadukeun jeung syal warna beureum aya motifan jeung baju dines warna coklat.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5144", "text": "Basa aya acara jalan santai, Rina ngiringan jeung babaturanna. Jalan santai ieu teh acara memperingati hari jadi Kabupaten Bandung Barat. Tempatna nyaeta di Kota Baru Parahyangan. Seueur dorprise nu menarik dina ieu acara. Unggal peserta nu ngiringan jalan santai dibagi kupon hiji ewang. Hadiahna aya sapeda, alat elektronik, mejikom, jeung sajabana. Tah beres jalan santai, karek diundi pemenang dorprise na teh. Nu ngundi na ge langsung ku pak Bupati KBB. Pas penyebutan nomor undian mejikom, nomorna akjr jeung nu dicepeng Rina. Atuh Rina buru-buru lulumpatan ka hareup panggung. Alhamdulillah geuning akur nomor na, jadi Rina tulus meunang mejikom teh. Bungaheun pisan Rina meunang dorprise ieu. Majar teh jang masak di kostan ceunah. Alhamdulillah aya hasil ngilu jalan santai teh. Tos kitu mah langsung we Rina uih bari mamawa mejikom eta.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2968", "text": "Kuring keur nangtung di parkiran mall di Jakarta Selatan, di Jalan Panjang. Abdi di lantai 4 atanapi 5. Bari ngobrol sareng rerencangan, Babaturan kuring, 24 taun, lahir sareng cicing di Kalimantan Tengah, teu kantos ngalaman gempa. Nah pas kitu, ujug-ujug sadayana oyag, kalebet lantai anu kuring nanjak. Rasana sapertos Truk Tronton kalayan beban blok super beurat batu anu ngaliwat caket kuring. Kuring nempo sabudeureun, tapi euweuh treuk tronton nu disangka. Naha mungkin pikeun treuk kalayan beban anu ageung ngalangkungan gerbang gedong parkir \"sempit\"? can naek ka lantai 5. Kuring neuteup ka kenca katuhu, teu aya treuk kamana-mana. Tétéla teh ceunah cek babaturn tuh éta gempa sapertos kitu", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4296", "text": "Mere hadiah ka batur mangrupakeun kabiasaan anu alus, salian ti emang eta salah sahiji wujud urang berbagi oge bisa leuwih ngeratkeun persabatan jeung pertemanan urang kabehan, bisa nunjukeun rasa nyaah jeung rasa kasih urang ka batur. Hadiah teh bisa jadi bahasa cinta anu hartina urang nyaah, urang paduli ka jelema anu ku urang di bere hadiah tanpa urang perlu omongkeun. Aya batur anu ngabogaan bahasa cinta ieu, jelema anu leuwih resep tindakan kalakuan ti bata ngan omongan hungkul. Ekspresi anu narima hadiah oge jadi salah sahiji alesan batur resep mere hadiah, lamun jelema anu narima na reuwas jeung teu nyangka tuluy bungah eta teh nyieun anu mere leuwih bungah. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9219", "text": "Harita basa liburan, kuring indit ka imah babaturan. Kusabab imahna jauh, jadi kuring kudu naek karéta. Nalika kuring ngagaduhan korsi, kuring maén dina ponsel kuring sareng nganggo headset. Kaayaan dina kareta api waktu harita pinuh pisan ku panumpang. Di tengah-tengah perjalanan, kuring ngadadak nyeri beuteung, hayang hitut. Kulantaran teu kuat deui, ahirna kuring hitut di dinya, kuring yakin hitut kusabab euweuh sora. Tapi tétéla sanggeus, panumpang séjén sabenerna nempo kuring kalawan geleuh. Teras kuring sadar, yén tadi éta sanés kentut jempé, tapi kuring henteu kadéngé sabab kuring nganggo headset. Kuring éra pisan harita teh, tapi kuring ogé teu tiasa nanaon sabab perjalananna masih jauh. Tungtungna, kuring bodo amat weh tur pura-pura teu aya kajadian nanaon.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2983", "text": "Nabi Sulaiman dipaparin sababaraha mukjizat ku Allah SWT, salah sahijina tiasa nyarios sareng sadaya makhluk, kalebet jin, sato angin, pepelakan. Sakabeh makhluk ditaklukkeun ku Alloh SWT pikeun Nabi Sulaiman. Jin komo sato galak bakal nuturkeun parentah Nabi Sulaiman. Sabagé umat Islam, tangtu urang yakin jeung bisa nyonto ieu ku cara maca sholawat Nabi Sulaiman nalika papanggih jeung sato galak, sieun ku jin, sieun disihir, sieun di tempat angker. Salah sahiji doa anu tiasa urang baca dina QS. Al-Naml ayat 18-19, anu hartosna \"Nepi ka lebak sireum, ceuk hiji sireum, 'Eh sireum! Lebetkeun kana sayang anjeun, supados anjeun henteu ditincak ku Nabi Sulaiman sareng tentarana, sedengkeun aranjeunna henteu. sadar .'[18] Maka anjeunna (Sulaiman) seuri bari seuri lantaran (ngadangu) kecap sireum, sarta anjeunna ngado'a, \"Duh Gusti, pasihan abdi ilham pikeun terus syukur kana ni'mat Anjeun anu parantos dipaparinkeun ka abdi. abdi sareng ka kolot abdi sareng supados abdi ngalaksanakeun kautamaan anu anjeun pikahoyong; sareng mugia abdi ditampi ku kurnia Gusti ka abdi-abdi Gusti anu soleh. [19]\"", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "301", "text": "Beres gawe di WO urang gawe di salah sahiji bidang fotograpi. Emang ti baheula oge urang resep kana bidang foto atawa video. Nepikeun ka ngahaja meuli kamera DSLR. Urang gawe didieu biasana pas keur aya kawinan atawa acara wisudaan. Mun acara kawinan urang gawe ti isuk nepika beres acara. Sedengkeun mun di wisudaan mah gawena rada singkat, paling oge 2 jam. Tapi nu lilana dina proses ngedit foto atawa video, eta bisa sababaraha poe, gumantung kana lobana foto atawa video anu diedit. Harita kantorna teh aya di Batununggal. Urang didieu aya kana 3 bulanan, tapi sabab aya gawean sejen urang ngundurkeun diri. Geus euweuh waktu pisan jadi urang fokus kana gawean nu ayeuna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3380", "text": "Anjeun panginten sanés pikun, tapi kumaha waé ngapalkeun nami jalma éta parantos janten tugas anu sesah. Sok inget beungeutna tapi poho ngaranna. Atawa sabalikna, inget ngaranna tapi poho kumaha rupa beungeutna. Éta ogé tiasa ngajantenkeun anjeun jengkel sabab anjeun henteu émut nami jalma anu ujug-ujug ngabagéakeun anjeun di jalan. 1. Jujur sangkan teu isin teuing, tapi tong hilap ngomong yén manéhna téh jiga sobat anjeun. Yudaa…. (nepak taktak) Hah?! Eh, salah. Hapunten, saurna, ti sisi anjeun katingali pisan sapertos babaturan kuring. Hehehe Kusabab kadang éra ilang nalika anjeun jujur ​​​​dina kasalahan anjeun. Tapi supados anjeun henteu dicap aneh kumargi anjeun parantos maén sareng ngabagéakeun anjeunna, anjeun tiasa nambihan pernyataan upami anjeunna siga babaturan anjeun anu namina disebatkeun sateuacana. 2. Pura-pura kenal ka anjeunna, sanajan teu terang saha anjeunna\r\nNdral….\r\n\r\nEh, saha anjeun?\r\n\r\nAduh, lepat (dina hate) Naha hilap? Abdi Ojik….\r\n\r\nOjik? Nu mana nya?\r\n\r\nOh, manéhna poho. Enya, muhun, abdi kaluarkeun heula, muhun, abdi bade ka toko buku. Pendak deui engké.\r\n\r\nBari anjeun ngaganggu anjeunna ku pura-pura kenal anjeunna, anjeunna, anu geus anjeun pikir anjeun terang, malah moal mikir ngeunaan ngaran salah anjeun disebutkeun tadi. Ieu rada aneh, tapi ieu bisa jadi cara alus jang ngahindar.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4681", "text": "Aya loba rupa rupa bully anu biasa di panggihan din akahirupan sapopoe na, anu pangbabari n kaciri jeung ka identifikasi nyaeta bully an sacara fisik. Bullying fisik nyaeta tipe bullying panggampangna pikeun mikawanoh sabab palaku ngagunakeun aksi fisik nalika bullying batur. Saperti ngadorong, ngajanteng suku ngahaja, nyiduh ka neunggeul. Sababaraha reaksi henteu ngan ukur tanda anu muncul kusabab kekerasan fisik. Nanging, ku kitu oge bully an sacara fisik ngabogaan pangaruh kana kaayaan mental budak. Aya sababaraha tanda yen budak atawa rumaja narima perlakuan anu teu pikaresepeun ti baturna, salah sahijina nyaeta jadi kasieunan nepi ka ngadegdeg jeung hoream indit ka sakola.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6059", "text": "Mun keur di kota besar, usahakeun tong nepi ka iinditan sorangan ka tempat nu rawan begal. Ka mana-mana teh kudu dibaturan supaya aya batur pakumaha. Mun sorangan mah bakal ngundang begal atawa dijambret jalma teu wawuh. Biasana loba modus di jalan raya, malahan ayeuna mah nepi ka terang-terangan. Modus na teh rupa-rupa, malahan nepi ka nuturkeun, bahkan asup ka polres ge dituturkeun keneh wae. Begal kajahatan teh saolah geus teu boga kasieun. Mun iinditan teh kudu mawa alat pelindung diri, jang jaga-jaga tina tindak kajahatan. Misalna mawa spray lada, alat setrum, jeung sajabana. Jadi, mun beunang begal teh bisa saeutik ngalindungi diri sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8430", "text": "Aya sababaraha urang anu ngarasa nyaman lamun dahar gigireun runtah sato, contona di gigireun tai ucing. kaayaan ieu bisa normal atawa henteu sabab unggal jalma boga kabiasaan beda. Panginten kotoran ucing sanes hal anu ngaganggu anjeunna, khususna nalika anjeunna lapar, janten henteu janten masalah pikeun anjeunna ngeureunkeun tuangeun. Memang, pikeun kalolobaan jalma, tuang di lingkungan anu teu nyaman tiasa ngaruksak sareng ngaganggu napsu na. Nanging, ieu sanes patokan anu pasti sareng manglaku ka sadayana. Upami pikeun anjeunna tuang di lingkungan sapertos kitu henteu janten masalah sareng ngarugikeun jalma sanes, maka eta henteu tiasa langsung nyarios yen kaayaan ieu mangrupikeun gangguan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2157", "text": "Dina umur ieu kuring ngarasa pait gagal nalika kuring hoyong ngahontal cita-cita kuring lulus kuliah dina umur ngora, meureun pikeun jalma sanés ieu henteu pait upami dibandingkeun sareng kagagalanna, tapi pikeun kuring ieu leres-leres ngarobih kahirupan kuring sareng kuring.kirang sumanget pikeun hirup dinten-dinten.. kahayang abdi janten apoteker. Abdi kuliah di universitas nyandak pendidikan D3 Farmasi, panginten pas lulus abdi tiasa langsung damel sareng ngabahagiakeun kolot abdi, pasti pas lulus abdi langsung damel di apotek anu terkenal. Nalika digawé, rasa hayang nuluykeun atikan masih aya dina pikiran. Sataun saterusna kuring mutuskeun pikeun hijrah jeung neruskeun atikan sarjana di propinsi sejen sabab kampus kuring teu nyadiakeun jalur mindahkeun D3 ka S1 Farmasi.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7497", "text": "Saminggon ieu abdi teu wani balik leuwih ti tabuh opat sonten lantaran lamun tos magrib jeung langit tos poek sok aya begal. Dua poe kamari tos aya lima urang anu janten korban begal. Untungna teu aya nu luka, tapi aya nu motorna dicokot jeung mobilna dipepeuskeun kacana. Abdi sareng rerencangan teu pernah aya nu balik sorangan, pasti kedah dibaturan. Sabenerna abdi keheul ka eta begal lantaran janten teu tiasa kempel-kempel jeung rerencangan, tapi kumaha deui abdi sieun oge lamun balik peuting, akhirna mah urang janten mineng mondok di kampus, balik tabuh tujuh atawa tabug dalapan. Komo mahasiswa anu kedah nyubuh lantaran ospek oge jadi sieun ka begal. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5533", "text": "Mere hadiah ka kolot teh salian bisa ngabungahkeun hate nu jadi kolot, oge mantak mawa rezeki ka urangna. Meungpeung kolot hirup jeung meungpeung urang mampu keneh, bere kolot hadiah. Teu kudu mewah, nu penting berkesan jang kolot. Misalna hadiah balik ka kampung. Eta hiji hal saderhana tapi mantak bungah pisan kanu jadi kolot. Leuwih hade deui mun bisa mere hadiah nu dicita-citakeun ku kolot, misalna angkat ibadah haji ka Mekah. Salila urang mampu mah laksanakeun we, ulah itungan jeung kolot. Sabab mere ka kolot mah sarua jeung ngalipat gandakeun rezeki urang sorangan. Jadi, meungpeung kolot aya keneh, yuk ah urang bagjakeun!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6314", "text": "Hal-hal nu bisa dilakukeun dina ngantisipasi dahareun supaya teu tereh buruk. Nu kahiji nyaeta simpen dahareun dina kulkas. Suhu dingin dina kulkas teh bisa ngahambat proses pembusukan dina dahareun, jadi bisa nunda waktu pembusukan nana. Jadi, disimpen teh bakal bisa lila dina kulkas mah. Nu kadua nyaeta simpen dahareun di tempat nu tertutup, misalna dina tupperware, atawa sajabana supaya teu kaanginan jeung teu loba reaksi dahareun jeung mikroba. Nyimpen dahareun dina wadah nu tertutup teh bisa ngahambat proses pembusukan dahareun. Nu katilu nyaeta langsung konsumsi dahareun, komo mun dahareun geus jadi mah. Ulah diengkekeun deui sabab sok leuwih tereh buruk mun diingkeun mah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2582", "text": "analiti nunjukkeun yén macét tiasa nyababkeun setrés dina hiji jalma. Pikeun ngahindarkeun setrés nalika macét, ieu tip ti Dr. Déwi Ema Anindia.\nHindarkeun Stress Nalika Macet Ku Cara Ieu\nJaman lalu lintas sering nyababkeun kacapean mental sareng fisik. Panaliti nunjukkeun yén macét tiasa nyababkeun setrés dina hiji jalma.\nSanaos macét teu tiasa dirobih, anjeun tiasa ngalakukeun sababaraha hal pikeun ngatasi setrés anu disababkeun ku macét, kalebet:\n1. Ngadangukeun musik\nHiji studi anu dilakukeun di Inggris nyatakeun yén macét tiasa nyababkeun parasaan setrés atanapi amarah, anu bakal nyababkeun paningkatan denyut jantung sareng tekanan darah.\nPikeun ngabantosan masalah ieu, ngadangukeun musik mangrupikeun salah sahiji cara. Alesanana, musik nu bener bisa mangaruhan haté jeung parasaan jalma nu ngadéngékeunana.\n2. Nyeuseup. Musik klasik, jazz lancar, sareng musik meditasi mangrupikeun jinis musik anu tiasa ngirangan setrés. Anjeun ogé tiasa nyanyi babarengan dina hiji mobil pikeun nyegah setrés.\nUpami anjeun parantos nyetir panjang teuing dina macét, setrés biasana ngan ukur najong. Dina kaayaan ieu, coba nyandak hiji napas panjang, lajeng dikaluarkeun, sarta ngalakukeun eta sababaraha kali.\nManggihan kagiatan senang\nNalika anjeun macét, coba pikir positif sareng miceun pikiran négatip tina pikiran anjeun. Pikeun mindahkeun perasaan setrés, coba ngalakukeun kagiatan anu pikaresepeun, sapertos ngadengekeun carita jalma anu linggih di gigireun anjeun atanapi hal-hal sanés.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "743", "text": "Di hareup imah urang nu biasana tara macet, ayeuna mah kabagian macet lantaran aya nu menerkeun jalan di pertigaan anu nyebabkeun pengendara teh neangan jalur alternatif salah sahijina nyaeta ka kampung urang. Atuh keur mah jalanna leutik ditambah nu ngaliwatna teh lain motor hungkul, tapi mobil jeung treuk anu notabenena baradag. Jadi mobilisasi di kampung urang tersendat, komo nu rek jualan kaditu kadieu. Urang sempet nyarekan eta pengendara treuk sabab ieu lain jalan parantina. Tuluy geus kitu si jalan eta, ku urang tutup make papan jeung ditulisan, \"ulah jalan kadieu kehed ngamacetkeun wae\". Ayeuna mah mun aya deui nu jalan kadinya utamana treuk ku urang sok dititah puter balik deui meh teu macet.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6932", "text": "Salah sahiji resiko janten Tentara Angkatan Laut nyeta kedah siap lamun kedah ngapertaruhkeun nyawa kanggo ngabela negara sorangan. Basa tragedi kapal selam anu newaskeun kabeh awak kapal nu nuju latihan di jero laut abdi reuwas sakaligus sedih pisan lantaran salah sahiji korbanna nyaeta murangkalih tatanggi abdi sorangan anu baheula imahna dekeut sareng imah kuring. Abdi teu nyangka pisan ieu bakal kajadian di jalmi anu dekeut jeung kuring. Abdi leuwih sedih deui lantaran jenazahna moal tiasa kapanggih, janten teu tiasa dikurebkeun di taneuh. Abdi nyobi ngahibur kulawargina ku salah sahiji hadis anu nyebutkeun yen jalmi anu pupus lantaran tilelep nyaeta bakal syahid. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6254", "text": "Salah sahiji permasalahan nu sok aya dina perjalanan teh nyaeta jalma nu utah. Biasana, komo mun jalmana tara iinditan mah pasti bakal utah wae mun naek mobil, komo mun jarak jauh mah. Biasana mun nu sok ongkek di perjalanan mah ngambeu bensin atawa AC mobil teh sok lieur, tuluy we utah. Komo mun kaayaan fisik na keur teu fit mah, bakal leuleus ngadoreksakeun nu jag-jag. Hal ieu teh sacara ilmiah mah disababkeun ku teu nepina oksigen kana otak, jadi lieur nu berujung ka ongkek mun keur di perjalanan teh. Hal ieu teh jadi hal wajar dina sabagean besar masyarakat Indonesia, komo bagi orang lembur mah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3381", "text": "Sarerea pasti ngarasa isin. Ti hal sasederhana isin pikeun nyieun kasalahan trivial kana isin sabab hal penting geus tarnished idéntitas anjeun atanapi reputasi kaluar dinya. Kusabab unggal jalma geus ngalaman eta, lain hartina rasa ieu bakal salawasna netep di jero. Ieu kedah dicegah, sareng perasaan éra kusabab hal-hal anu tangtu kedah dipohokeun supados henteu mangaruhan anjeun ka hareup. Kumaha carana sangkan karapihan jeung parasaan éra?\r\n1. Nengetan naon anu jadi pemicu éra\r\nKahiji, evaluate jeung nulis handap naon wae nu ngajadikeun anjeun ngarasa embarrassed. Ieu meureun sesah dina mimitina, sabab teu rusiah y��n anjeun ogé isin pikeun nginget sarta nganyatakeun ka diri.\r\n2. Robah pikiran anjeun\r\nSakapeung, pikiran négatip tiasa janten racun pikeun éra anu anjeun parantos gaduh. Ku terus mikir négatip kawas, \"Naon nu bakal jalma nyebutkeun ngeunaan kuring engké?\" atawa, \"Kumaha lamun Kuring branded salaku hiji isin pikeun sesa hirup abdi?\" Anjeun tiasa ngalelepkeun diri dina pikiran négatip. Pikiran ieu moal ngajantenkeun anjeun langkung saé. Malah aya nu leuwih éra jeung leuwih parah.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4332", "text": "Salah sahiji kabungahan anu teu di sangka teh nyaeta teu di haja papangih jeung babaturan anu baheula na deukeut pisan anu ges lila teu kapanggih sarta di pika sono pisan. Papangih jeung babaturan lila salian ti bisa ngadeukeutkeun deui urang keur ngajalin silaturahmi oge bisa babarengan urang nyarita keur jaman baheula. Babaturan lila teh jelema anu asli na nyaho kumaha urang teh. Lamun teu kahaja papanggih teh rasana jiga meunang rezeki anu teu kaduga. Reuwas asa teu nyangka tapi oge bungah jeung bagja pisan urang bisa ngobrol keun sagala na tina kahirupan urang jaman baheula jeung kahirupan urang jaman ayeuna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7282", "text": "Basa leutik salah sahiji jajanan anu paling dipikaresep ku abdi sareng rerencangan nyaeta ciki anu aya hadiahan. Lamun keur ulin sasarengan urang pasti mapay warung kanggo meser ciki. Mimitina abdi meser hiji ciki tapi teu percaya bakal aya hadiah dina ciki ieu. Bener we di ciki anu ka hiji mah teu aya hadiah nanaon, teras rerencangan miwarang abdi meser hiji deui sabari milih anu pangbeuratna, sabab biasana anu beurat teh di jerona aya duit perak. Abdi langsung milih anu sakirana beurat. Pas dibuka abdi reuwas lantaran di jero ciki eta beneran aya duit lima ratus perak. Aya oge rerencangan anu meunang lima rebu. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7812", "text": "Basa leutik abdi sareng dulur abdi gaduh hiji dahaeun pikaresepeun, dahareun ieu teh sabenerna mah jajanan tina coklat anu bentukna mirip siga tai beurit. Aya dua rasa, aya nu rasa coklat jeung rasa stroberi. Duduana bentukna sarua, tapi anu coklat mah mirip pisan siga tai beurit. Hiji poe abdi ningal ka gudang aya beurit anu nuju ngegelan dahareun, teras di gudang eta oge aya tai beurit anu loba pisan dina luhureun lomari. Abdi ngambeu eta tai langsung geleuh lantaran pacampur jeung bau hangseur. Abdi oge langsung kabayang pisan ka dahareun anu abdi mineng dahar basa leutik, tapi jadi teu hayang deui ngadahar eta. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2138", "text": "Kuring kungsi dibéjaan ku babaturan kuring anu di PHK. Dumasar kana caritaanana, pausahaan anu PHK karyawan dipilih tina absen, jadi unggal pausahaan boga aturan henteuna. Kumaha mun geus telat, ayeuna aya pagawé anu mindeng teu asup. Hujan teu datang, ban kabobol teu datang, intina mah ti hadir, tuluy idin indit. Idin pikeun cuti dirumuskeun dumasar kana naon anu dikintunkeun ku karyawan, tapi aya langkung seueur ti anu dikintunkeun. Nya, éta kasempetan pikeun perusahaan pikeun PHK karyawan. Upami éta anu tiasa kuring bagikeun, kuring henteu terang ngeunaan perusahaan sanés. Ieu dumasar kana carita adi kuring. Naha anjeunna sering bolos padamelan. Sumuhun, sering. Hujan teu datang, anak gering teu asup sanajan pamajikanana teu gawe. Ayeuna, anjeunna parantos damel deui sareng hanjakal teu bolos kelas deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9563", "text": "Trauma anu dialaman di waktos budak keneh tiasa gaduh pangaruh anu kuat dina kapribadian hiji jalma. Trauma bisa ngarujuk kana rupa-rupa kajadian nyeri, kaasup kekerasan, leungitna, atawa rasa kasiksa anu kacida. Nalika batur ngalaman trauma waktos budak, aranjeunna tiasa ngalaman parobahan dina cara mikir sareng kalakuanana, anu tiasa mangaruhan kumaha aranjeunna hirup. Contona, batur anu ngalaman trauma di waktu budak bisa jadi mangaruhan kapercayaanna ka batur, atawa malah boga masalah ngatur emosi manehna. Dina sababaraha kasus, trauma bisa ngakibatkeun masalah kasehatan mental jangka panjang, kayaning depresi atawa PTSD (Post Traumatic Stress Syndrome). Sanajan kitu, trauma si waktos budak bisa boga dampak signifikan, hiji jalma oge bisa diajar kumaha carana ngatur tur nungkulan trauma ieu sapanjang hirupna, sarta ngembangkeun kapribadian kuat tur cageur.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5947", "text": "Dina ajaran Islam, sakaratul maut teh jadi salah sahiji hal nu bakal nimpa kabeh umat manusa. Nyeurina sakaratul maut teh sarua jeung awak dikuliti lalaunan, peureusna kacida pisan. Ngan, kumaha peureusna teh unggal jalma beda-beda, tergantung amal ibadahna salila di dunia. Mun amal ibadahna hade, sakaratul mautna ge dilancarkeun jeung dibabarikeun. Kitu oge sabalikna, mun loba amalan goreng, sakaratil mautna ge kalayan peureus jeung nyeuri pisan. Malahan mah paling parah nyaeta diganggayong, maot henteu hirup henteu. Biasana nu kieu leuwih nyeuri ceunah ceuk beja mah, sabab digantung nasibna antara hirup jeung maot. Malah mah nu sakaratul maot teh sok satengah teu eling kana naon nu didanguna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1119", "text": "Pernah di Asrama sorangan, sedengkeun batur mah geus balik kampung. Ieu kajadian pas urang awal-awal kuliah, sabab aya kagiatan kampus jadi rek balik teh dibedokeun. Suasana asrama anu sepi komo mun menuju ka peuting mah di tambah posisi kamar urang teh lantai dua. Kamar gigireun geus pada balik. Jadi nu ka denge teh ngan sora jangkrik di buruan asrama. Sabab kamar asrama jeung dapur oge kamar cai teh papisah ku panto nu digeserkeun, sok tara wani muka panto eta. Mun geus sholat Isya ge sok buru-buru sare bari ngarepkeun teu lilir pas engke peuting, soalna mun lilir sok hese deui rek sare teh. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2572", "text": "Urang kedah terang kumaha ngaréaksikeun nalika ngalaman émosi ieu sareng nyobian tetep tenang.\n1. Ngaleungitkeun amarah di jaman baheula\nJadi kolot mangrupikeun jinis terapi anu tiasa nunjukkeun dimana masalah urang sareng memotivasi urang pikeun ngerjakeunana. Lamun kaliwat anjeun pinuh ku amarah , ngalakukeun hal pikeun nyageurkeun diri saméméh anjeun ngarugikeun anak. Panaliti nunjukkeun yén budak anu indungna sering nganyatakeun amarah biasana langkung hésé didisiplin.\nCoba pikeun manggihan masalah di jaman baheula urang nu bisa ngabalukarkeun amarah. Naha anjeun disiksa atanapi dihukum parah nalika murangkalih? Naha anjeun gaduh masalah ngadalikeun émosi anjeun? Naha anjeun henteu ngarasa tengtrem? Angka kaayaan ayeuna anu ngajadikeun anjeun ambek, sapertos teu sugema ku padamelan anjeun, pasangan, diri anjeun, atanapi murangkalih. Émut ka Ibu, upami murangkalih sering ningali raray ambek sareng ngadangu ambek, anjeunna bakal janten jalma sapertos kitu.\nNgeunaan sudut pandang anjeun\nTombol amarah dulur urang tiasa béda. Sababaraha kolot leuwih gampang ambek ka budakna. Upami anjeun salah sahijina, cobian laksanakeun latihan ieu, ngabagi kalakuan anu teu pantes anak anjeun kana kategori-kategori alit, anu henteu kedah nyababkeun amarah, sareng kategori ageung, sapertos nganyenyeri diri atanapi batur, anu meryogikeun tanggapan anjeun. Teras kaayaan diri anjeun supados anjeun henteu kaganggu ku kategori leutik.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1077", "text": "Pas urang keur diuk di ruang tunggu di klinik, perasaan sieun ngarasa memuncak dina diri urang. Urang ngarasa jantung urang berdetak beuki gancang jeung kesang tiis oge mulai maseuhat telapak leungeun urang. Urang ngarasa sieun lantaran urang apal bakal disuntik poe ieu. Saenggeus sababaraha waktu nungguan, giliran urang akhirna tiba. Pas urang asup jeung ninggali jarum suntik anu dicepeng ku perawat, urang ngarasa beuki sieun. Komo deui pas perawat nojoskeun jarum suntik kana leungeun urang, urang ngarasa nyeri, jeung saolah-olah teu bisa napas oge hayang ngagorowok, tapi urang teu bisa ngalakukeunna. Pas geus rengse disuntik, urang ngarasa lega tapi oge ngarasa sedih lantaran teu bisa mengatasi rasa sieun kana jarum suntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2185", "text": "Nalika kuring leutik, kolot kuring hoyong pisan ngajalajah naon anu dipikaresep ku kuring tiasa dikembangkeun. Abdi émut nalika kuring kelas 5 SD kuring gaduh kagiatan saminggu pinuh, tina les, pelajaran basa Inggris, pelajaran musik, sareng pelajaran ngagambar. Pinuh Senén nepi ka Saptu. Kabeneran kuring les musik di salah sahiji tempat les anu lumayan mahal, da hoream mah, palajaranna geus mahal, lilana pelajaran ngan 30 menit mah teu maju. Bapa kuring naros sareng ngadamel sababaraha koméntar \"Kumaha anjeun parantos ngajar tapi anjeun henteu acan dilatih latihan di bumi\". Na enya, ngaran budak leutik, kuring jujur nyeletuk ngomong \" pan bapa nyaho, éta bapa anu hayang kuring nyandak palajaran musik, lain kuring\". Waktu harita bapa kuring langsung nyerieun ku omongan kuring, tapi enya, kuring mah jujur, da masih budak leutik.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2925", "text": "Intina mah kitu, eta jalma teh kudu gede hate, mun digegelan ku nu salah, tarima wae, naon wae cenah (salami teu ngahina kahirupan pribadina), tarima. Upama nu ngagogoreng teh leuwih kana fitnah atawa ngabengkokkeun fakta, lawan sabisa-bisa, tapi tetep kudu ati-ati, sabab mun emosi pisan, bisa jadi beda perkara, bakal dipecat ku nyieun fitnah nu sejen. siga nu salah jeung bakal dipaksa kaluar ti pausahaan, nu bakal rugi.urang oge, leuwih hade mun kondisi geus akut, mundur lalaunan, meunang pakasaban anyar heula lajeng resign. Mun anjeun scolded, teras difokuskeun masalah na coba teu ngulang kasalahan anu sarua, ningkatkeun diri. Tong gumuruh di tukang. Rugi lamun dicaci, tapi keuheul ka nu ngambek tanpa perbaikan, teu jadi jalma nu leuwih hade.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5667", "text": "Biasana mun keur sorangan, sok loba muncul perasaan nu teu paruguh. Kadang sedih kadang hayang ngambek kana hal nu teu apal kunaon. Biasana mun keur sorangan teh sok overthinking, pikiran ngalayang ka mana-mana, sagala hal dipikiran nepi ka teu bisa ngontrol emosi. Kadang mun aya rarasaan keur sorangan ge sok sagala kasedih muncul, sagala kapeurih hate teh aya, tapi teu bisa ngedalkeun. Jadi ngedalkeun na kana pikiran sorangan. Leuwih parah na mah mun aya nu keur kieu teh sok teu eling, nepi ka ngaleungitkeun nyawa sorangan saking beuratna pikiran nu aya. Kahirupan teh sarasa gagal wae jeung teu bisa jiga batur.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "688", "text": "Ulah mere kejutan anu matak bahaya lantaran bisa wae nu tadina momen bungah jadi momen menegangkan. Harita pernah aya kajadian pas peuting-peuting mere kejutan, tuluy marawa balon nu geus dieusi gas, oge mawa kueh tepang taun jeung lilin anu geus nanceb dina kueh eta. Teuing pedah kumaha eta mah si balon gas teh ngabeledug lantaran keuna kanu lilin, tuluy nyebabkeun kabakaran. Loba korban dina kajadian eta sabab dirayakeun ku loba jelema. Matakan kuud ati-ati pisan jeung kudu aya pertimbangan mun rek mere kejutan. Mending mun dek sabari mawa balon, balonna ditiup manual ulah make gas. Soalna mun aya kakeunaan seuneu bisa ngabeledug. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6303", "text": "Di sisi jalan teh sok aya kebon awi anu jauh ti mana-mana, jauh ti pemukiman lembur warga. Biasana mah sok aya jalma anu teu tanggung jawab, teu hujan teu angin jol muang sampah didinya. Bisaan cara miceun na teh, manehna mah make motor bari mawa keresek eusina sampah, geus pas di leuweung awi, lung we dialungkeun keresek na teh. Teu turun-turun acan tina motor na ge. Teuing naon motivasina jol miceun sampah didinya nu jelas-jelas lain tempat sampah. Sampah na teh makin poe makin ngagunduk wae ngalobaan. Lolobana mah sampah nu eusina pempers budak. Nya bau, nya minuhan sisi jalan deuih. Teu baleg pisan jalma nu miceun na teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2958", "text": "Kuring geus dua kali jadi saksi di pangadilan dina kasus gugatan sipil, mun anjeun nanya ka kuring kumaha perasaan anjeun? Nalika kuring mimiti jadi saksi, kuring rada sieuanan, sabab kuring henteu kantos janten saksi di pangadilan, sanaos pendidikan dasar kuring tina hukum, aya sababaraha hal anu kuring panginten rada krusial nalika kuring janten saksi:\nNalika anjeunna disumpah nurutkeun agama saksi, karasa pisan suci\nLamun ditanya ku majelis hakim atawa pengacara penggugat/tergugat, jawab sajujur-jujurna, mun teu nyaho, jawabna jujur ​​sabab hakim bisa nyentak lamun jawaban anjeun pegat.\nSagemblengna, jadi saksi téh lain perkara gampang, lamun kahareupna kasaksian urang dinyatakeun palsu, mangka urang ogé bisa kabetot dina kasus hukum (pasal 242 ayat (1) KUHP), jadi pastikeun urang ngartos patarosan. anu dipasihkeun ka urang sareng ngajawab sajujur-jujurna", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "240", "text": "Keur jaman SMA pernah kaleungitan konci motor, jadi pas balik sakola teu sadar konci diteundeunna di mana, di tempat biasa paneundeunnan konci ge euweuh. Karek kanyahoan leungit teh pas peuting rek ngasupkeun motor ka imah ti buruan. Nepika sakulawarga neangan, indung, bapak, teteh, adi, kabeh neangan tetep wae teu kapanggih. Nepika kapaksa urang ngagotong jeung bapak ka imah. Isuk na oge sarua teu kapanggih, jadi teu asup sakola. Kapanggih-panggih teh pas sore teu kahaja pas keur muka kulkas. Singhoreng teh koncina aya dina jero kulkas, meureunan pas balik sakola urang muka kulkas tuluy teu karasana neundeun konci di jero na. Pas kapanggih bungah, sabab bisa sakola deui.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5517", "text": "Basa nuju ngiringan pendidikan dasar militer, abdi ngendong dina tenda di leuweung salila saminggu. Biasana unggal peuting diayakeun piket giliran jiga samacam ronda deui. Pas kabeneran abdi piket peuting, abdi ningali aya jalma nu pakean na sarua jeung arurang salaku siswa. Make baju dinas lapangan, make sapatu PDL, make helm siswa, warna bajuna ge sarua hejo tentara. Sugan abdi mah babaturan weh, pas diitung nu sare teh jumlahna pas. Terus eta saha? Katembong na teh keur polang anting geus tilu balikan tuluy dina deukeut tangkal. Pas ku abdi disampeurkeun, eh euweuh sasaha. Abdi ti harita langsung asup ka jero tenda, teu wani nuluykeun piket. Abdi babacaan teu eureun-eureun da bisi nembongan deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4370", "text": "Kapanggihna harta karun emas oge pernah lumangsung di Desa Wonoboyo, Kacamatan Jogonalan, Klaten, Jawa Tengah. Ieu oge teu kahaja kapanggih ku warga Uruk diggers taneuh anu kapanggih kendi ngeusi emas jeung perak dina Oktober 1990. Kendi tanu di panggihan ngandung rupa-rupa perhiasan, mimitian ti pinggel nepi ka cingcin. Rupa-rupa perhiasan emas jeung perak nu disimpen dina opat kendi teh cenah mangrupa karya agung jeung kapanggihna pangpangna dina sajarah Indonesia.Benda-benda sajarah ieu kapanggih ku genep warga dina jero taneuh keusik 3 meter anu geus digali pikeun taneuh uruk. Anu manggihan 6 jalma. make pacul, aya nu neunggeul guci dina jerona kira-kira 3 meter taneuh keusik. Dumasar kana laporan ti tim anu masrahkeun harta karun ka Yogyakarta, eta harta karun saterusna dipasrahkeun ka Bank Negara Indonesia di Yogyakarta.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "364", "text": "Organisasi Kesehatan Dunia merkirakeun aya saloba 3,7 miliar jelema di handap usia 50 taun atawa 67% tina populasi terinfeksi ku virus herpes. Marleen Temmerman, Direktur Departemen Kesehatan Reproduksi dan Riset WHO, ngomong infeksi herpes mayoritasna ditularkeun ngaliwatan kontak oral nu nyebabkeun herpes atawa luka tiis di sakitar biwir. Aya oge HSV-2 nu ngarupakeun panyakit nular seksual nu ditularkeun ngaliwatan kontak kulit ka kulit, jadi nyebabkeun herpes genital. Dina laporan nu dipublikasikeun ku jurnal PLOS ONE ieu, Temmerman ngungkapkeun lamun panyakit herpes mangrupakeun penyebab nu kahiji panyakit herpes genital. Pas bulan Januari, WHO memperkirakan saloba 417 juta jelema nu mengidap HSV-2. nu nyebabkeun herpes genital. Ku sabab eta, diperkirakeun aya leuwih ti satengah miliar jelema ti usia 15-49 taun nu ngidap infeksina.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "640", "text": "Basa poean rek ka Banten urang mutuskeun jang naek beus. Urang naek beus teh di Stasiun Leuwipanjang, jeung geus ngarencanakeun rek naek motor sorangan ka stasiunna tuluy motorna dititipkeun. Sabab geus diestimasikeun make google maps, jadi weh urang oge nyalse inditna. Salahna urang, pas ngecek google maps teh subuh. Ieu pasti beda lamun inditna beurang. Apek teh bener weh pas geus nepi Kahatek, macet pisan kacida loba pagawe nu baralik gawe peuting jeung loba nu arasup oge sabab gawe isuk-isuk. Tidinya teh urang tutuluyan ninggalian jam tangan, jeung hate teh teu tenang sabab pasti ieu mah katinggaleun ku beusna. Bener weh pas datang ka stasiun teh geus indit beusna aya kana 15 menitan ti mimiti urang datang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6028", "text": "Dosa nu paling gede di ajaran Islam nyaeta dosa menyekutukan Allah. Dosa ieu teh kaasup dosa besar nu ganjaranna ge lain bobodoan, disusahkeun di dunia jeung akherat. Di akherat na ge diasupkeun ka naraka nu paling dahsyat siksaan nana. Nyekutukeun Allah teh nyaeta upaya teu yakin ka Gusti Allah, misalna muja ka hal-hal nu teu logis, mempertanyakan kaayaan Allah, jeung nu contoh leutikna sering teu karasa nyaeta teu yakin kana ayana gustj Allah termasuk ayana kaberkahan nu dilimpahkeun. Perbuatan syirik oge jadi salah sahiji perbuatan menyekutukan Allah nu paling kentara di antara nu sejenna. Dosa ieu teh paling dibenci ku Gusti Allah. Jadi, mun di diri urang ge aya karaguan ka Gusti Allah, urang kudu sieun sabab bisi kaasup kana dosa menyekutukan Allah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7585", "text": "Kajadian sato leupas pasti mineng pas keur Idul Adha, biasana sapi anu bade dipindahkeun tina treuk atawa mobil kolbak ka tempat anu sanes bakal ngajieun domba atawa sapi barontak. Sapi oge mineng leupas pas bade dipeuncit, komo lamun sapina badag, kedah dicepeng ku loba jalmi. Sapi anu leupas pasti bakal nyingsieunan batur anu ningalna, komo murangkalih anu sok panasaran hayang ningal sapi. Sapi anu leupas ieu pasti tiasa ngabahayakeun jalmi, komo lamun ukuranna badag, urang dewasa oge pasti bakal tiasa labuh lamun disuruduk ku sapi gede. Marak supados sapi teu leupas, urang kedah nyiapkeun tihang anu kuat supados sapi anu ditalian ka tihang eta moal leupas. Saen mah ditalikeun ka pager, tangkal atawa wangunan anu kuat. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2161", "text": "Kagagalan ngan ukur jeda anu masihan pelajaran, yén aya hal anu anjeun masih kedah diajar atanapi laksanakeun waktos salajengna. Anjeun tiasa maca tip pikeun ngatasi kagagalan, kumaha bangkit tina kagagalan, ku kituna anjeun tiasa ngahontal kasuksésan. Cara pikeun bangkit tina kagagalan munggaran anu anjeun tiasa laksanakeun nyaéta misahkeun kagagalan tina idéntitas anjeun. Nyaéta, kagagalan henteu kedah janten fokus anu ngajantenkeun anjeun lemah. Kagagalan ngan ukur hiji épisode kahirupan dimana anjeun teu acan mendakan cara anu pangsaéna pikeun ngawujudkeun rencana sareng impian anjeun. Tanggapan anu positip pikeun ngatasi kagagalan anu salajengna tiasa ku nangkep émosi anu anjeun karasa nalika kagagalan lumangsung. Wangun émosi anu muncul biasana dina wujud ambek, éra, kasedih, kuciwa, malah kahariwang ngeunaan kumaha jalma séjén ningali anjeun. Metoda ieu pamustunganana ngamotivasi diri sarta nyiptakeun pangjurung pikeun digawé hadé tur jadi leuwih kreatif salaku solusi pikeun nyegah kagagalan dina mangsa nu bakal datang. Sajaba ti éta, coba ngatur pikiran anjeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2530", "text": "Manéhna bungah basa teu kahaja manggihan “harta karun”, teu disangka-sangka duitna geus dipopohokeun ku manéhna. Kaleresan salawasna sareng anjeun. Padahal geus sababaraha kali pindah. Tapi untungna, anjeunna henteu pernah ngalungkeun lomari. Sanggeus carita ieu diterbitkeun online Netizens percaya yén sanajan catetan ieu kapanggih, Sajaba bisa tetep salaku panginget gawé teuas. eta oge bisa nambahan pisan nilaina Lamun dijual ka nu hobi ngumpulkeun koin atawa uang kertas antik. tapi Upami anjeun mendakan harta karun, naha éta sah pikeun gaduh atanapi kedah diserahkeun ka nagara? kuduna cicing wae, teu kudu loba ngomong ka batur. make eta alesan pikeun kaperluan diri jeung kulawarga anjeun. Teu aya gunana pikeun ribut-ribut pikeun pamer. Teangan harta karun anu disumputkeun. ku belanja sakumaha diperlukeun tur rutin ngagunakeun harta karun anjeun manggihan, geus langsung mantuan nagara mindahkeun roda ékonomi di wewengkon dimana anjeun cicing. Teu kudu pamer jeung riweuh, geus loba harta, naon deui nu kurang?", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "260", "text": "Basa keur sakola SD, urang miluan lomba pidato anu diayakeun di sakola. Saminggu saacan lomba, ibu guru geus mikeun bewara yen bakal aya lomba pidato khusus kelas 3 SD di sakolaan. Pas balik sakola urang ngabejaan ka indung bapa yen aya bewara ti guru. Bapa urang langsung ngomong kudu miluan, indung urang ge satujueun. Teu lila didinya urang dibere teks pidatona ti bapa, bapa nu nyieun sorangan. Aya kana 5 poean urang ngapalkeun teks pidatona, ngarah teu poho si teks pidatona urang babawa nepi ulin ge. Pas poean lomba, pesertana aya 5 an. Urang ku percaya dirina tampil. Dina poe Senen pas upacara, kepala sakola ngabewarakeun nu meunang lomba pidato, ngaran urang disebut juara ka 2. Balik poe eta, urang dibere hadiah nu eusina teh buku jeung pulpen.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6300", "text": "Ayeuna abdi bade indit ka Purwakarta lewat jalan motong Cipeundeuy. Tah jalanna teh bakal ngaliwatan tempat pembuangan akhir. Kabeh sampah ti Bandung raya teh ditumpukkeun didieu. Pas ngaliwat teh bauna meuni ambreng pisan, teu bisa dihenteu-henteu. Najan geus make masker ge angger wae kaambeu pisan bauna. Tumpukan sampah na ge geus loba bilatungan, ceceran ka sisi jalan. Abdi jiji pisan ningalina, geuleuh pisan sabab rarujit. Kaduhung abdi ngaliwat kadieu, kabeh pakean teh jadi bau sampah buruk. Buru-buru we nepi ka Purakarta teh neangan baju jang ganti da teu kuat ku bauna dina awak meuni hihiliwiran. Moal deui ngaliwat kadinya, mending jalan Padalarang we.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4373", "text": "Baheula, di daerah Cigombong, Sukabumi-Bogor, Jawa Barat, kapanggih hiji harta karun anu sacara harfiah aya dina bentuk emas anu gede na mang kilo kilogram. Samemeh tahun 1946, daerah ieu teh di jadikeun dikawasaan ku tentara Jepang.Sanggeus pertengahan taun 1946, pasukan Jepang anu eleh ninggalkeun Cigombong. Tentara Nasional Indonésia (TNI) ngamankeun eta tempat kalayan bantuan warga. Bareng jeung warga sabudeureun Cigombong, para prajurit ngali taneuh di sabudeureun urut lokasi tentara Jepang, miharep meunang pakarang atawa senjata pikeun ngalawan pasukan Walanda.Sersan Mayor Sidik bareng jeung sababaraha anggota tentara jeung pulisi rahayat manggihan hiji kendi badag. Sanggeus muka kendi, aranjeunna manggihan hiji kaos kaki nu eusina barang teuas. Kaos kaki dibuka hiji-hiji. Aranjeunna reuwas ningali eta eusi emas. , permata jeung inten-inten nu tadina dibuka gerendengna, herang. Lamun nurutkeun majalah Ekspres , harga emas eta hampir Rp 6 miliar. Sacara rinci, eta harta karun téh aya 7 kg emas. jeung 4 kg inten, anu asalna ti Perkebunan Pondok Gede, Bogor.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "771", "text": "Pas keur wawancara gawe di salah sahiji perusahaan, aya nu nanya suku urang naon, tuluy urang ngajawab suku urang Sunda. Terus manehna embung narima urang jadi pagawe lantaran orang Sunda mah teu getol, jeung henteu tekun gawena. Mimitina urang reuwas naha bet kitu? Tuluy manehna neruskeun yen orang Sunda mah sok carmuk (cari muka). Tidinya keneh urang teu ngomong nanaon langsung indit ninggalkeun korsi wawancara, urang berusaha nahan emosi ku cara indit. Geus embung adu argumen komo bari nyarekan mah, sanajan urang boga hak nyarekan lantaran kesukuan urang dihina ku manehna, nepikeun ka siga teu boga harga diri dileleyek kawas kitu. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6052", "text": "Loba beja ceuk kolot baheula mah mun diudag ku anjing teh ulah lumpat, tapi kudu nagog. Mun lumpat keur diudag anjing mah bakal leuwih gancang deui diudag na ge. Sabab ngarasa anjingna dipikasieun, jadi tuluy we moro jalma. Tapi sabalikna, mun urangna tenang tuluy nagog mah anjing na ge moal wanieun nyampeurkeun. Komo mun bari mawa batu tuluy disingsieunan ka anjing na mah, dijamin bakal becir. Mun digonggongan anjing ge ulah geumpeur, kudu tenang bari rada ngagertak anjingna supaya indit jauh. Biasana mun digertak mah anjing ge sok sieuneun, komo mun bari dibaledog mah. Mantak, mun aya anjing teh tong kalap lumpat, buru we neangan batu jang maledog tuluy gertak make gedigan sampean.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9241", "text": "Basa poé libur, kuring pernah jalan-jalan ka supermarket jeung adi kuring. Harita aya hiji kajadian anu ngerakeun pisan. Nalika kuring sareng adi kuring nuju ningali balanjaan, ujug-ujug kuring ngarasa aya anu nyeret handapeun baju kuring. Pas kuring ningali ka handap pikeun ningali saha anu narik baju kuring, kuring ningali aya budak leutik anu ceurik bari nyarios \"Mamah hoyong kueh éta\" sababaraha kali bari nunjuk kana rak jajanan. Kuring reuwas sabab kuring henteu terang saha eta budak atanapi saha indungna, mungkin salah jalma. Teu lila, ujug-ujug aya ibu-ibu anu lumpat ka arah kami, kuring nyangka yén manehna mangrupikeun indung budak leutik ieu. Anu matak reuwas deui nyaéta baju anu dianggo ku indungna sarua siga nu dianggo ku kuring. Teu heran eta budak salah sangka yen kuring indungna. Tuluy indungna menta hampura sabab anakna boga salah sangka. Adi kuring kalah seuri kusabab kajadian tadi. Sanggeus balik ti dinya kuring langsung ganti baju jeung teu make eta baju deui lamun kuring kaluar imah.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2525", "text": "Nalika kuring leutik, kuring émut hiji kajadian nalika kartu pokemon kuring diduruk nalika kuring henteu diajar, sareng ningali kartu anu kuring gaduh. Padahal totalna ngan ukur 20 rebu, kuring ceurik, sungkan, teu hayang diajar, ambek kartuna diduruk. Éta harta karun kuring dina waktos éta. Nalika kuring leutik, kuring ngagaduhan réréncangan anu saé. Kuring sok terus baris hareup pikeun manéhna, ngobrol jeung manéhna, jeung sakali ulin di imahna. Tapi basa kuring asup ka kelas, kuring geus teu sakelas deui jeung manéhna. Kuring henteu terang kunaon, tapi nalika kuring ngagaduhan kelas anu béda, kuring ngarasa aya halangan sareng perpecahan anu teu aya bentukna. Abdi henteu nyangka ieu mangrupikeun salah sobat atanapi abdi nalika ti saprak éta urang henteu kantos ngobrol deui, tapi kuring ogé hanjakal yén kuring henteu kantos mikiran badé angkat ka kelas sareng nongkrong sareng anjeunna sanaos kelas kami henteu sami. Éta harta karun kuring dina waktos éta. kaget sih aya harta karun nu bentukna memeori nu geus moal bisa di ulang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8520", "text": "Anjeun teh teu kedah ngarasa era nalika anjeun salah ngucapkeun nami batur sabab ieu mangrupikeun hal anu biasa sareng normal pisan. Sarerea pasti salah ngucapkeun ngaran batur di sawatara titik dina kahirupan maranéhanana. Kasalahan ieu henteu nangtukeun nilai atanapi kualitas anjeun salaku individu, sareng anu sanes biasana henteu ningali anjeun goreng pikeun ieu. Oge, salah nyebut ngaran batur bisa ditempo salaku kasempetan pikeun ngaronjatkeun komunikasi jeung ngawangun hubungan jeung jalma eta. Coba pikeun ngabenerkeun kasalahan anjeun sareng ngobrol sareng jalma anu anjeun nyauran dumasar kana empati sareng kahadean. Ieu bakal ngabantosan ngirangan isin sareng ngajantenkeun anjeun sareng anu sanes langkung nyaman.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "306", "text": "PHK (pemutusan hubungan kerja), penyebabna rupa-rupa bisa sabab kondisi ekonomi perusahaan, bisa oge diakibatkeun ku karyawanna sorangan nu ngalakukeun pelanggaran beurat. Lamun nu nganyebabkeun PHK di luar diri sorangan, bisa miluan cara-cara ieu ngameh tetep ngembangkeun diri sorangan. Nu kahiji ngembangkeun pola pikir, kudu boga pamikiran nu berkembang ti waktu ka waktu. Lamun pamikiran berkembang tangtuna bakal terbuka jang narima elmu jeung parobahan. Nu kadua kudu ningkatkeun pangabisa. Mibogaan kaahlian nu spesifik jeung leuwih unggul tibatan karyawan sejen bakal dibutuhkeun pisan keur pengembangan diri. Nu terakhir ulah sieun gagal, kagagalan dianggap hiji hal nu paling dipikasieun jeung saolah-olah euweuh peluang jang bangkit deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7548", "text": "Ngadangu carita rerencangan anu parada gering saatos divaksin abdi jadi sieun jeung embung divaksin. Tapi kumaha deui, abdi tos didaftarkeun ku bapa kanggo vaksin di lapangan RW. Lamun dibatalkeun oge lebar lantaran seeur anu ngantri bade divaksin. Komo ningal seeur rerencangan jeung batur dina sosial media anu nyareri awak jeung paregel saatos divaksin. Komo ti baheula oge abdi mah teu pernah wani kana jarum suntik lantaran sieun aya panularan panyawat tina jarum. Tapi pas tos dijelaskeun ku perawatna yen sadaya jarum anu dianggo teh anyar keneh jeung masih disegel abdi langsung yakin jeung teu pati sieun. Abdi disuntik sabari nukangan si teteh perawatna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5993", "text": "Rafting atawa arung jeram jadi salah sahiji wisata rekreasi anu keur populer di masyarakat. Saprak covid-19 ge loba masyarakat anu nyobaan rekreasi ieu. Ngan, teu saeutik oge nu sieuneun nyobaan sabab sieun tilelep dina wahangan. Komo ningali jeramna mah meuni mantak geumpeur jeung sieun ka para pengunjung nu rek nyobaan. Tah, rekreasi ieu teh dilengkapi ku alat wajib dipake jiga pelampung jeung helm, nu fungsina ngaminimalisir jeung nyelamatkeun diri mun keur tilelep. Mantak teu kudu sieun deui nyobian rekreasi cai jiga arung jeram! Ulah sieun tilelep sabab aya pemandu anu siap siaga kana kasalametan pengunjungna ti mimiti nepi ka beres pengarungan!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6346", "text": "Cai di kostan abdi teh nuju rusa teu ngocor, jadi we abdi kedah ibak ka masjid nu deukeut kostan. Untungna isuk-isuk mah sepi keneh, jadi bisa laluasa. Pas abdi rek asup ka kamar mandi masjid, abdi nungguan lila sabab di jero na teh aya jalmaan nu geus lila teu bijil wae. Abdi geus teu tahan hayang papang, ku abdi diketok we pantona. Geus teu lila teh nembe we bijil jalmina. Pas bijil teh geuning bapak-bapak, lain awewe. Abdi ngarasa bingung, ngecek deui bisi abdi nu salah asup, eh da bener ningan. Si bapa nu salah asup kamar mandi. Abdi meuni reuwas jeung campur sieun bari rada era da geus ngetok pantona.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7572", "text": "Pas abdi nuju diajar di sakola sareng rerencangan, aya lini. Asalna mah teu pati karasa lantaran abdi nuju dihareupeun komputer lantaran basa eta teh nuju diajar di laboratorium komputer. Abdi anu tadina hoyong nyetel lagu dina YouTube langsung teu janten lantaran seeur jalmi anu ngagorowok. Abdi sareng rerencangan langsung cengkat tina korsi ka luar. Di koridor sakola tos seeur pisan murid anu sanes. Urang sadayana dipiwarang ngungsi, lumpat ka handap, ka lapangan sakola. Salila abdi sareng rerencangan lumpat, lini teu karasa lantaran urang lumpat gancang pisan. Pas tos di lapangan kabeh, abdi langsung ningali ka luhur. Sieun bisi gedung sakolana rubuh. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3236", "text": "Kamari kuring tepar Pagawean abdi sadidinten ngan utah, sare, utah, sare. Disebutkeun yén jalma anu kakandungan bakal sering utah. Tapi kuring ngarasa kumaha upami utah kuring henteu lengkep sabab kuring hamil 8 minggu. Mimiti peuting tadi, kuring ulin ka kantor Punk Rock, lembur nepi ka jam dua isuk-isuk (nasib anak agénsi iklan). Naha anjeun maén di kantorna? Geus bosen tinggaleun lembur terus disewakeun. Di kantor Si Punk Rock, surfing internet dina meja samping Si Punk Rock nu kosong. Ieu kumaha carana surfing internét kalawan salaki anjeun? Romantis pisan... (Halah! Kacida teuing!) Sabot mimiti saré, kuring ngagolér dina kasur lantai di kantor Si Punk Rock. Enya, di kantorna aya kolam renang nu pinuh ku kasur.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9555", "text": "Chris ngarasa gugup pisan bari nangtung di lapangan tenis, nungguan giliran maen dina babak final kajawaraan tenis antar sakola. Manehna geus latihan keras salila sababaraha bulan sareng ngarep-ngarep pisan pikeun meunang eta piala. Tapi pas pertandingan dimimitian, Chris ngarasa saolah-olah teu bisa fokus. Manehna terus nyieun kasalahan anu teu kakontrol sarta teu bisa manggihan wirahma dina cara maen manehna. Lawanna, Mario, katingalina fokus pisan sareng maenna alus pisan. Sanggeus pertandingan lumangsung salila sajam, ahirna Maria bisa ngelehkeun Chris kalayan skor 6-3, 6-4. Chris ngarasa haneueul pisan nalika manehna kaluar lapangan. Manehna ngarasa geus gagal ngahontal cita-cita pikeun meunang piala juara. Chris ngarasa sedih pisan nalika balik ka imah. Chirs ngarasa yen manehna geus gagal jjeung ngecewakeun diri sorangan jeung jalma nu ngarojong manehna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1116", "text": "Mun aya orang asing nu nuturkeun omat ulah dideukeutan atawa dipanggihan, sanajan urang panasaran ulah ngalakukeun hal kitu soalna beresiko. Sieun mun manehna teh boga niat jahat ka urang atawa nganyenyeri urang, di jaman ayeuna mah nu kieu teh mungkin. Lain berpikiran negatif, tapi waspada oge perlu. Saoalna pernah kajadian aya nu diculik ku orang nu teu dipikawanoh, mimitina mah manehna nuturkeun tuluy diajak ngomong, sieunna eta jelema jahat tuluy ngahipnotis. Bisa wae barang urang nu leungit atawa bahkan urang sorangan nu keuna balukarna. Mun geus apal aya nu ngingintil, mendingan langsung ka petugas kaamanan atawa telepon babaturan ngameh aya batur babarengan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8177", "text": "Jalma sieun ningali jurig kusabab sababaraha alesan psikologis sareng budaya anu mangaruhan kumaha parasaanana ngeunaan jurig. Dina loba budaya, jurig katempona entitas spiritual pikasieuneun atawa mahluk gaib. kapercayaan ieu katanem ti budak leutik sarta mindeng dijaga sapanjang hirup. Jurig teu bisa ditempo atawa dipikaharti dina cara nu sarua yen objek fisik bisa. Hal ieu ngajadikeun ayana hantu misterius sarta mindeng nyieun sieun hiji jalma. Pangalaman anu goreng dina jaman baheula, sapertos ningali jurig atanapi ngalaman kajadian gaib anu sanes, tiasa nyesakeun tapak tatu sareng nyababkeun kasieunan anu kaleuleuwihan. Jalma anu percaya yen jurig aya sareng tiasa katingali tiasa nguatkeun kapercayaanana kana ayana jurig. Pilem, buku, atawa carita horor lianna bisa mangaruhan persepsi hiji jalma ngeunaan hantu sarta ngaronjatkeun sieun maranehanana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2594", "text": "Ambek téh lumrah, asal dibarengan ku alesan nu wajar jeung teu kaleuleuwihi. Nanging, upami anjeun sering ambek tanpa alesan, kaayaan ieu tiasa janten tanda gangguan jiwa pikeun masalah kaséhatan anu tangtu. Numutkeun psikolog Rebecca Wong, LCSW, perasaan teu dipaliré atawa dipaliré ku jalma di sabudeureun anjeun bisa nyieun anjeun gampang ambek. Manusa dina dasarna mah mahluk sosial anu miharep jeung neangan kasugemaan tina hubungan sosial. Nalika pangabutuhna henteu kacumponan, ieu tiasa nyababkeun émosi négatip. Contona, Anjeun bisa ngaharepkeun rojongan ti pasangan Anjeun. Sanajan kitu, pasangan Anjeun nu pisan goblog teu sadar ieu. Anjeun ngarasa diabaikan sabab teu meunang rojongan ti pasangan Anjeun. Kaayaan ieu tiasa ngajantenkeun anjeun ambek tanpa alesan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1356", "text": "Pernah teu nincak tai hayam tuluy kababawa ka sakola? Urang pernah. Hiji waktu pas keur istirahat sakola, urang ulin ka kebon jeung babaturan, di kebon ieu biasana loba batur oge bari mawa jajaneun nu geus dibeuli di warung. Geus istirahat tuluy urang leumpang rek asup kelas deui, sapanjang jalan teh bauna teu ngeunah, bau tai hayam tapi teu apal aya di mana. Nepikeun pas asup kelas, batur ge ngambeu bauna. Nepikeun ka dicek awak urang bisi nempel di baju atawa calana. Pas ninggali kana titincakan sapatu, geuningan aya didinya. Tai hayam teh katincak pas urang keur ulin di kebon. Geus hayang ongkek ngambuna, langsung buru-buru diberesihkeun di toilet sakola.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6066", "text": "Salah sahiji hal nu paling mantak sieun nyaeta ditinggal sorangan. Sabab manusa mah loba kasieun, komo mun nepi ka teu nyampur jeung batur, sok asa nyorangan jeung keueung. Tah, cara supaya teu sieun mun keur sorangan teh babari. Kahiji nyaeta ngendong we ka imah atawa ka kostan babaturan, supaya teu siein teuing mun sorangan mah. Kadua nyaeta jieun kasibukan supaya bisa ngalihkeun rasa kasepian jeung kasieun. Pengalihanna bisa ku nonton film, nyetel musik, ngerjakeun tugas, jeung sajabana. Mun sibuk mah sok poho kana sosoranganan teh. Nu katilu nyaeta sare. Mun ditinggalkeun sorangan terus ngarasa sieun teh mending keneh dibawa sare, sabab sare mah bisa mantak poho kana sagala hal. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9166", "text": "Pikeun batur mah nu ngarana ngurus kotoran hewan teh matak jiji kacida. Tapi teu kitu piken budak kuring nu nomer dua mah. Manehna mah kalem we miceunan kotoran ucing nu dikukut ti leuleutik di imah kuring. Eta ucing teh baheulana mah teu aya di imah, ngan jol manehna teh asup ka imah kuring ngaliwat kana atap imah kuring. Pedah ku nyaah jeung duka erek kumaha deui, ku kuring sakulawarga akhirna dipiara eta kucing teh. Kuring sebenerna mah teu resep kana ucing, jadi kuring mah moal ngurusan kotoranna, ngan ngurus jang parabna hungkul. Pernah harita budak kuring basa keur meresihan tai ucing, eta tai ucing teh beunang kana leungeunna. Lamun eta kajadian ka kuring, sigana geus ceurik pedah ku jijik, ngan manehna maha kalem weh, ceunah da cai loba bisa dikumbah engke. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "793", "text": "Basa keur ngeusian bengsin di salah sahiji SPBU, urang ngantri kawas biasana lantaran emang jam balik gawe jadina sok pinuh. Pas giliran urang ngeusian bengsin, urang muka jok motor jeung muka panutup bengsin. Tuluy jol aya nu nyorobot manehna hayang dieusian tiheula. Urang molototan petugas SPBU ngarah tong ngagugu anu nyorobot eta. Tapi petugas SPBU kalakah miheulakeun nu nyorobot eta daripada ngaheulakeun nu ngantri tatadi. Pas manehna keur ngeusian bengsin nu nyorobot, urang langsung ngabanting jok anu geus kabuka, ngabantingna tarik da sorana oge tarik. Awak petugas SPBU eta ku urang langsung dorong manehna tijolongjong kana mesin bengsin lantaran teu narima kana paripolahna, urang langsung indit teu jadi ngeusian bengsin.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6331", "text": "Keur basa aya tes fisik atlet, abdi teh make calana leging nu didouble ku calana pondok. Tes fisik na teh diayakeun di Pusdikif, Cipatat. Abdi ngahaja make calana nu ngepas supaya teu riweuh pas keur lari atawa keur testna. Abdi ngan mawa salin calana jeans hungkul harita teh. Pas keur lari zigzag, eh calana abdi teh ngaberewek sobek. Abdi langsung eureun we ka sisi. Pas ditingali, calana pondok na sobek parat nepi ka jadi rok sabab lengkahna gede teuing. Mun legging na mah aman, masih keneh weuteuh nutupan. Untungna we legging na teu miluan sobek, mana abdi teu mawa saln deuih, ngan mawa calana jeans.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2892", "text": "Ieu sababaraha hal anu tiasa dilakukeun ku kuring, nyaéta:\r\n1. Nyaritakeun ka guru → ngalaporkeun kajadian ka guru, bisa waé guru wali kelas, guru pembimbing, atawa guru séjénna nu dianggap deukeut. Upami guru anjeun henteu percanten ka anjeun, tong nyerah, teruskeun usaha (meureun dugi ka 3 kali) sareng ulah kuciwa teuing upami pasualan anjeun henteu ditanggap, tapi cobian milarian jalan anu sanés.\r\n2. Laporkeun ka kolot atawa lanceuk-lanceuk (biologis atawa dulur-dulur) → Sabagé kolot atawa kulawarga, pasti teu boga haté lamun diperlakukan teu adil atawa dibully. Sahenteuna bakal aya pertahanan atawa lalawanan.\r\n3. Sabagé manusa, kudu mikir yén anjeun boga hak pikeun dibéla sarta ngabogaan hak pikeun ngarasa aman → jadi ulah sieun-sieun ménta pembelaan atawa panyalindungan ka batur, lamun jalma anu ngabully nyebutkeun urang ngan néangan. perhatian atawa anu complainers: Ulah mikir! Kusabab hak ngarasa aman mangrupakeun hak asasi manusa, urang manusa jadi kudu diperlakukeun salaku manusa.\r\n4. Tong sieun teu boga babaturan → lamun ngantep diri dibully kusabab sieun teu boga babaturan atawa diusir ti grup populér, éta téh salah pisan. Masih loba jalma nu hayang jadi babaturan urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2610", "text": "Masarakat Papua geus lila ngalaman perlakuan rasis di Indonésia, tapi salawasna diwajibkeun cicing waé demi persatuan jeung karukunan.\n\nDina komunitas anu sami sareng urang Papua, kuring terang pandangan umum di kalangan aparat pamaréntahan sareng pulisi.\n\nMaranéhna nganggap yén urang Papua téh masalah jeung aktivis pulitik anu cicingeun ngarojong séparatisme, hususna Organisasi Papua Merdeka (OPM). Lantaran kitu, aranjeunna kedah ngawas, ngawas, sareng nyerang asrama ieu.\n\nPihak otoritas nganggap urang Papua perlu diajar tunduk kana otoritas. Janten, sajaba ti ancaman sareng razia, aranjeunna dipénta pikeun ngalakukeun pagawéan fisik pikeun aparat lokal.\n\nPara pendidik di paguron ogé nganggap urang Papua téh lambat inteléktualna, pikiranna lemah, sarta gaya hirupna primitif, sanajan di tengah kota.\n\nMahasiswa Papua sering diganggu ku mahasiswa sejen; naroskeun naha aranjeunna kantos nganggo koteka, naha aranjeunna masak nganggo seuneu kai, naha aranjeunna moro sareng ngangon di leuweung kusabab aranjeunna primitif.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2556", "text": "Samemeh kaduhung, samemeh silaturahmi diteruskeun tapi pinuh ku pananya,,, bakal manehna selingkuh deui. Jaga sasatoan atawa tatangkalan. Mindahkeun hobi, méakkeun sababaraha tabungan pikeun méakkeun jeung kolot, ponakan atawa jalma merlukeun. Dina waktuna, Sadérék bakal ngarasa teu aya gunana méré kapercayaan ka jalma nu geus nolak kasatiaanana, utamana lamun Sadérék teu kabeungkeut ku perkawinan. Teu aya alesan pikeun salingkuh. Ceuk saha anjeun egois? Anjeunna leres? Naha anjeun yakin rék cicing dina hubungan anu 1. Anjeun manggihan hésé dipercanten anjeunna deui, 2. Anjeun bakal ati pisan ngeunaan naon eusina sabab ngarasa egois. Upami anjeun ditipu, éta sanés tanda anjeun kakurangan, tapi jalma anu nipu anjeun anu kakurangan. Kuring henteu terang upami anjeun henteu bogoh ka anjeun, anjeun henteu cekap dewasa, anu jelas anjeun ogé kurang ajar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5131", "text": "Tips ngeusian soal-soal ujian. Mimiti, bacaan heula soal-soalna sing tarapti. Tuluy kerjakeun heula soal nu jawaban na babari atawa apal. Mun manggihan soal nu teu apal jawabanna atawa hese jawabanna, liwat we heula. Fokus eusian soal nu babari tiheula. Mun sadaya soal nu babari tos kaeusian, tah ayeuna fokus kana soal nu harese. Kerjakeun soal nu harese sing tarapti. Mun teu apal jawabannana, pilih we jawaban nu mendekati atawa jawaban nu logis jang eta soal. Tong nepi ka mikir lila teuing pas ngajawab soal nu hese teh, bisi waktuna teu cukup. Mun sadaya soal tos dieusian jawabanna, crosscheck deui sadayana bilih aya nu teu acan kaeusian. Mun tos bener-bener beres, kantun submit soal jeung jawabanna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5194", "text": "Isukan teh bakal jadi poe nu paling bersejarah di kulawarga abdi mah, sabab isukan teh pun raka bakal aya nu ngalamar. Alhamdulillah geuning tos kapendak jeung jodona. Tah proses lamaran na teh di bumi abdi pisan, waktosna saberes ashar. Ti dinten ayeuna teh sagala tos disiapkeun. Imah tos diberesihan, tuangeun jang tamu ge tos mulai diolah. Sakulawarga ngarasakeun bungah nu bisa kaukur. Pas tos hari H, di bumi tos mulai dipinuhan ku dulur nu daratang. Kitu oge tatangga nu hoyong nyaksian proses lamaranna. Alhamdulillah acarana lancar, tur khidmat. Mugia dilancarkeun dugi ka hari H pamaksadan. Sing dijauhkeun tinu sagala rupi cocobi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1132", "text": "Serangan panik bisa pikasieuneun jeung mangaruhan mental oge fisik urang. Tapi penting jang diinget yen serangan panik bisa dikendalikeun jeung diatasi ku cara nu alus. Serangan panik emang nyieun pikasieuneun, tapi penting jang nginet yen serangan panik teu bahaya jeung teu ngabahayakeun hirup urang. Urang oge bisa ngomong jeung babaturan nu dipercaya ngeunaan naon nu keur urang alaman. Mibogaan babaturan nu ngadukung jeung mantuan urang ngarasa leuwih tenang jeung meredakan gejala-gejala serangan panik. Ulah ngantepkeun serangan panik nyokot hirup urang, lamun urang ngarti, urang bisa mengatasi serangan panik jeung ngalanjurkeun hirup urang ku cara nu leuwih alus jeung leuwih tenang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "747", "text": "Unggal indit gawe, macet teh geus jadi sarapan sapopoe. Rek kumaha teu macet, soalna tempat gawe teh ngaliwatan sababaraha pabrik. Jadi loba kendaraan nu lur-lar asup ti pabrik. Tapi mun kabeh pengendara tertiba mah dina macet ge moal lila teuing, sanajan majuna saeutik-saeutik tapi saheunteuna bisa maju. Tapi sok aya wae pengendara nu teu tertib, jalur nu kuduna dipake jang pengendara nu berlawanan arah jeung urang, malah disorobot ku manehanana. Atuh jadi beuki sempit jalurna, nu tungtungna mah macetna beuki ngajadi-jadi. Sabari dipolototan, manehna ku urang dititah deui balik deui ka tukang, puter balik ngarah jalur batur bisa lancar. Geus dipolototan kitu mah manehna balik deui ka tukang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "795", "text": "Geus daftar online jang dipariksa di salah sahiji rumah sakit, pek teh ceuk petugasna dokterna keur cuti. Padahal urang geus temu jangji jeung dokter eta teh. Urang aambekan ka petugas, hayang aya bukti yen dokterna cuti. Tapi manehna teu bisa nunjukeun jeung urang oge ulah asup ka ruanganna. \"Naha pedah urang make BPJS jadi dipersulit?\" omongan urang ka petugas ku nada anu tinggi. \"Rek make BPJS atawa reguler ge sarua mayar, ngan bedana BPJS mah ti pamarentah langsung\". Urang nembal deui. Keuheul gawe teh teu luyu jeung SOP rumah sakit. Tapi geus cape debat urang langsung ngaleos ninggalkeun petugas nu ngajaga tadi. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "673", "text": "Intan geus lila can boga anak deui, da anu mimiti umurna geus lumayan gede, malah asup TK. Tapi Intan tuluy ngadoa bari manehna di ikhtiaran ku puasa daud nyaeta puasa Senen jeung Kamis ku harepan bisa tereh dibere anak deui. Pas tengah poe, Intan nyobaan tes pack da rarasaan mah siga keur kakandungan. Apek teh bener hasilna positif. Tuluy ku anak mimiti hasil tes pack na ditinggali-tinggalikeun ka nini na, ka om na, nepikeun ka tatangga nu keur ngaliwat ge dibejaan bari ngagorowok \"Mamah hamil deui\". Atuh batur nu ngadanguna ge reuwas sakaligus bungah, tatangga oge datang ka imahna bari mastikeun kaaslian wartana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8931", "text": "Di kost, kuring resep ngadongengkeun hantu nu kaalaman ku babaturan atawa carita ti batur. Mun ngadengekeun dongeng mah bungah jeung bagja da rame caritana, tapi mun balik ka imah teh sieun bisi ningali hantu, sabab carita hantu anu dicaritakeun ku babaturan. Aya carita anu paling nempel dina ingetan kuring, nyaéta carita awéwé anu dituturkeun ku pocong nalika balik ka kosan sorangan. Ti kampus nepika geus aya di kost manehna masih keneh diturutan nepika kaganggu di kostna. Pernah hiji waktu aya nu ngetrokan panto manehna, tapi sorana nyaring pisan, tuluy eta awewe nu dituturkeun teh nanya babaturan, pang ningalikeun saha nu ngetrokan panto kost manehna. Pas ditingali teh aya pocong nu keur nga jedug-jedug keun sirahna ka panto si awewe. Sieun atuh manehna teh, jadi we si awewe eta teh babacaan surat bari ngado'a meh si pocong indit, teu pati lila teh eweuhan we sorana. Ditingali we lewat jandela teh geus eweuh eta pocong teh. Kusabab eta carita kuring merinding pas balik ka imah, tuluy menta di jemput di halte beus ka bapa meh teu sorangan balikna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2904", "text": "Soesilo méré conto “pertahanan paksa” (Pasal 49 ayat [1] KUHP), nyaéta maling nyokot barang batur, tuluy maling narajang jalma nu boga barang ku keris. Di dieu jalma bisa ngalawan pikeun membela diri jeung barang-barangna dipaling, sabab maling geus nyerang ngalawan katuhu. Saterusna, serangan kudu ngadadak atawa ngancam di tempat. Sanajan kitu, lamun maling jeung barang-barangna geus katéwak, mangka teu bisa ngabela ku ngéléhkeun maling, sabab dina waktu éta teu aya serangan pisan ti pihak maling, boh ngalawan barang atawa jalma.Saterusna, Soesilo ogé méré conto \"pertahanan paksa anu ngaleuwihan wates\" atawa noodweer-exces (Pasal 49 ayat [2] KUHP). Anu kasimpulanana, salami henteu ngaleuwihan wates, aya anu ngalakukeun tindakan kriminal sapertos rajapati kusabab pembelaan henteu tiasa dihukum (penjara).", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4060", "text": "Tahun 2018 mangrupi tahun anu pang sedihna di hirup urang, keur eta urang kuliah keneh karek samester opat. Keur sibuk-sibukna ujian, urang kalah gering di rawat di rumah sakit. Jadi weh urang teu miluan ujian, pokona urang di rawat lila di rumah sakit nepika sabulan, ka hayang urang basa eta ngan cager meh bisa milu ujian. Di rumah sakit urang ngan saukur bisa nangkarak bari nempo infusan, urang mewek teu eureun-ereun nahan nyeri. Pas geus cager, urang hayang miluan ujian susulan, terus urang miluan nepika angges nilaina ge alus kabeh eweh nu di remedial. Tapi pas samester genep, urang teu bisa miluan sidang skripsi kusabab nilai urang bareureum anu samester opat. Padahal urang geus ujian susulan, didinya urang nyeri hate ku pihak kampus. Jadi si nilai urang teh ngahaja di beureumkeun lolobana ge D jeung E, terus urang menta pertanggung jawaban ka dosen-dosen, ceuk dosen mah geus beres kabeh geus di setor ka pihak akademik. Tapi nepika isukan na batur mah geus rek sidang, urang mah can di jieun jadwal sidangna da ku sabab nilai urang anu can bener, tapi pas urang rek ngabenerkeun ka akademik, si pihak akademikna teh menta duit ceunah sitah miluan kelas perbaikan. Padahal mah urang ges angges, didinya urang berdebat jeung pihak akademik ti jam salapan isuk nepika jam lima burit, akhirna mah urang langsung di sitah sidang jadi teu kungsi mayar. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6967", "text": "Basa kuliah abdi gaduh hiji rerencangan anu nipu kolotna sorangan. Padahal manehna geus dipercanten pisan ku kolotna sangkan janten mahasiswa anu gaduh prestasi jeung janten murangkalih anu ngabanggakeun kolot. Unggal sasih manehna menta duit anu lumayan seeur, bejana mah aya tugas padahal duit ti kolotna unggal sasih oge leuwih ti cekap kanggo minuhan kabutuhan manehna. Hiji poe manehna meunang kabar yen bapana gering nepikeun teu tiasa didamel deui sababaraha sasih kahareup. Manehna sedih jeung ngarasa salah pisan ka kolotna sabari menta hampura lantaran tos ngabohongan kolotna salila manehna kuliah. Manehna oge jangji bakal janten budak anu jujur jeung bakal neangan padamelan kanggo ngagentosan bapana nepika cageur. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8942", "text": "Ningali seueurna tindakan bullying di sakola, urang kedah langkung waspada dina ngajaga budak urang. Urang kedah sering naroskeun ka budak urang kumaha kaayaanana di sakola, naha aya pelajaran anu sesah? Atawa aya babaturan nu ngaganggu di sakola? Kusabab teu kabeh budak bakal ngabejaan kolotna sagalana nu aranjeunna alaman, jadi urang kudu aktip nanya ka barudak urang. Seuseueurna korban bullying teh teu wani ngadu ka kolotna sabab kolotna ogé teu paduli jeung teu ngurus budakna. Seueur kolot anu sibuk ku padamelanna sorangan sareng mopohokeun budakna, atanapi masihan budakna ka embanna atanapi ninina. Salaku kolot, urang kedah langkung waspada dina ngawas budak.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4285", "text": "Imah kosong jadi salah sahiji tempat anu serem anu di pikaseun jeung di jauhan ku manusa, sedengkeun lamun aya tong boro bangunan atawa imah roangan oge lamun jarang di pake atawa di datangan ku manusa bisa jadi eta teh di huni ku jurig. Loba kajadian kajadian penampakan jurig dina wangunan wangunan kosong, biasana bisa imah kososng atawa kurut kurut pabrik atawa rumah sakit anu geus kosong jeung sajabana. Pernah di caritakeu ku batur yen aya anu tinggal gigireun imah anu geus kosong lila, jelema ieu jadi sok bisa ngadenge aya sora sora ti imah kosong eta, bisa sora nu ceurik seuri jeung nu sejena. Sababaraha jelema anu sok ngaliwar oge sok ngadenge malah aya tukang dagang nu pernah ningali aya penampakan didinya manehna reuwas jeung ngajerit tuluy kabur jeung tara dagang nepika imah kosong eta deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8439", "text": "Seueul sareng utah saleresna mangrupikeun mekanisme awak pikeun ngaleungitkeun bahan anu berpotensi ngabahayakeun tina awak. Sanaos anjeun ngambeu bau anu pikaresepeun, uteuk bakal nampi eta salaku sinyal anu bahaya, teras marentahkeun awak pikeun waspada sareng seueul muncul. Ieu normal, teu ngancam kahirupan. Seueul mangrupikeun sensasi anu teu pikaresepeun dina beuteung luhur, sareng biasana dibarengan ku pangjurung utah. Sanajan teu sakabeh seueul ditungtungan make utah. Ku alatan eta, ulah nganggap seueul sareng geuleuh salaku panyakit. Sanajan aya rupa-rupa kaayaan anu bisa ngabalukarkeun hiji jalma jadi seueul. Gastroenteritis, contona, mangrupikeun panyabab paling umum tina seueul sareng utah. Tapi sacara umum eta wajar mun ngarasa seueul nalika urang ngambeu bau kuat kawas bau hanyir.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "224", "text": "Ulah ngan saukur meuli barang, tapi kudu merhatikeun oge barang nu dibeuli. Salian ti segi mangpaatna, oge segi kualitasna oge kudu diperhatikeun. Ceuk urang mending meuli barang nu leuwih mahal sakalian tapi kualitasna ka jamin, daripada meuli barang anu murah tapi babari ruksak jeung teu awet. Sabab lamun kualitasna alus tangtuna leuwih awet daripada ngaganti barang nu sarua sabulan sakali. Ku sabab leuwih awet tangtuna oge leuwih hemat. Ulah asal murah tuluy dibeuli, mending ditabung heula nepikeun ka cukup duitna. Jadi rasa bungah meuli barang teh bisa tinu kualitasna anu alus, lain ngan saukur murah jeung kabeuli barang nu dipikahayang. Kudu diperhatikeun oge kaawetanna, ngarah duit tabungan teu hambur.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7008", "text": "Tos hampir dua taun abdi gawe di salah sahiji BUMN di Bandung. Tapi taun ieu kontrak abdi teh tos bade seep, pas abdi bade ngalanjutkeun kontrak, abdi dibejaan yen taun hareup abdi bakal ditempatkeun di luar kota Di luar kota eta abdi bakal meunang gaji anu leuwih seeur tapi biaya hirup leuwih rendah. Abdi mikir ieu bakal janten kasempetan anu sae kanggo ngabantos kulawargi di bumi. Hiji bulan ti nandatangan kontrak, abdi langsung pindah ti Bandung, abdi di dieu tinggal sorangan. Saminggu kahiji mah abdi masih keneh betah, tapi pas tos sabulan abdi ngarasa sedih lantaran teu tiasa mineng ningal mamah sareng bapa.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7226", "text": "Aya hiji rerencangan kuring anu tos lila pisan teu papanggih lantaran manehna kuliah di luar negeri. Manehna ngenta tulung hoyong dibaturan jalan-jalan di Bandung kusabab manehna tos lila teu jalan-jalan di dieu, seeur pisan anu robah saprak manehna indit ti Indonesia. Abdi ngajakan manehna ka tempat-tempat anu hits jeung ngajak nyobian dahareun Bandung. Manehna atoh pisan lantaran sono ka sadaya nu aya di Bandung. Pas urang rek balik ka imah, abdi nganterkeun heula manehna ka imahna, lantaran beus geus teu araya. Pas abdi tos dugi ka bumi jol aya nu ngirim duit ka nomer kuring. Abdi reuwas sakaligus bungah,tuluy manehna ngomong eta duit janten hadiah lantaran anggap we kuring tos janten pamandu wisata.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8554", "text": "Ieu ngerakeun sabab diolok-olok bisa jadi nyeri pisan jeung ngerakeun. Ieu bisa nyieun hiji jalma ngarasa depresi sarta teu aman. Eta bisa ngarasa kawas aranjeunna keur dikritik sarta dibandingkeun batur, sarta ieu bisa nyieun aranjeunna ngarasa teu nyaman na teu diaku. Batur bisa ngarasa isin diolok-olok sabab teu ngarti naon anu sabenerna lumangsung atawa alatan ngarasa teu bisa membela diri. Ieu tiasa janten pangalaman anu ngerakeun sareng nyeri, sareng eta tiasa mangaruhan kumaha jalma ningali dirina sareng hubunganana sareng batur. Pikeun ngaleungitkeun rasa era sareng tekenan saatos diolok-olok, urang kedah diajar percanten ka diri sorangan sareng ngartos yen anu diomongkeun batur henteu salawasna ngagambarkeun kanyataan atanapi bebeneran.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5209", "text": "Di lembur abdi mah mun aya nu lahiran teh sok aya kagiatan melekan. Melekan nyaeta kagiatan nungguan imah nu lahiran. Melekan biasana dilakukeun peuting nepi ka isuk, minangka na mah ngajan bisi aya nanaon. Biasana nu melekan teh bapak-bapak warga sakitaran kampung. Kagiatan ieu teh dipercaya jadi bukti silih jaga di antara masyarakat. Melekan ge sok dikoordinir ku ketua RT setempat. Mun melekan, kadang sok nareangan hiburan jiga nyetel wayang, nonton bola mun keur kabeneran mah, jeung maraen catur atawa krambol. Tah kabiasaan ieu teh dilaksanakeun na di kabeh warga, teu diwilah-wilah. Ieu salah sahiji kabudayaan nu alus pisan jang dilestarikeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9581", "text": "Kasedih anu dibalukarkeun ku hirup nyorangan mangrupikeun hal anu lumrah sareng tiasa dirasakeun ku seueur jalma. Nanging, ulah ngantepkeun rasa sedih ieu ngatur kahirupan anjeun. Hirup nyorangan lain hartina anjeun kudu ngarasa sepi atawa teu boga babaturan. Anjeun masih bisa manggihan makna kahirupan dina hubungan jeung jalma sejen, boh eta babaturan, kulawarga, atawa malah pasangan. Salian ti eta, hirup nyalira oge masihan anjeun kabebasan sareng kalenturan anu teu terbatas pikeun ngajalajah minat sareng hobi anjeun, diajar hal-hal anyar, sareng nganyatakeun diri anjeun kalayan bebas. Tong ngantepkeun kasedihan anu anjeun karasa ngahalangan anjeun pikeun ngahontal kasuksésan sareng kabagjaan dina kahirupan anjeun. Terus maju sareng tong hilap milarian dukungan sareng bantosan upami diperyogikeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6864", "text": "Abdi atoh pisan pas apal bade gaduh adi deui, ti baheula abdi hoyong pisan gaduh adi lalaki lantaran supados lanceuk abdi aya batur na. Pas apal kabar pun mamah bakal ngalahirkeun deui abdi janten diajar ngalakukeun sababaraha tugas di bumi nyalira, sapertos nyeseuh acuk nyalira, ngalicin baju nyalira, ngumbah wadah, jeung nyangu. Pokona kumaha carana tong nepi ka nyesahkeun mamah. Abdi oge janten leuwih nurut ka mamah, tong nepi ka mamah ambek, bisi orok na kunanaon. Basa kalulusan SD pun mamah teu dongkap lantaran tos siap-siap bade ngalahirkeun di rumah sakit. Abdi atoh pisan pas ningal orok anu lucu pisan, tapi teu wantun mangku na.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1383", "text": "Ngarespon anu kaleuleuwihi pas kakeunaan ciduh batur bisa jadi masalah nu ngaganggu interaksi sosial sapopoe. Sanajan rasa geuleuh mangrupakeun reaksi anu wajar, tapi mun kaleuwihan teuing dina ngaresponna bisa nyieun batur ngarasa teu nyaman jeung ngarasa terhina. Hal ieu utamana mun lamun urang ngarespon make tindakan nu agresif atawa ngucapkeun kecap-kecap nu teu sopan jeung teu pantes. Ku sabab kitu, penting jang urang jang paham mun ngarespon geuleuh umumna mibogaan sifat subjektif jeung bisa beda-beda gumantung tiap individu. Urang kudu diajar jang ngahargaan batas jeung toleransi pribadi sewang-sewangan, sarta memperimbangkeun efek tina respon urang ka batur. Lamun hese urang bisa ngalakukeun teknik jang mantuan meredakan perasaan eta.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3363", "text": "Nalika nganjang ka réstoran, tangtos sanés ngan ukur ménu tuangeun anu urang pikahoyong, tapi ogé suasana sareng kabersihan tempat. Upama kaberesihan wc -- nu mémang teu katingali siga ruang makan -- teu dipaliré, kabersihan kamar-kamar nu leuwih pribadi saperti dapur ogé matak jadi tanda tanya. Kanyataanna, nurutkeun hiji survéy panganyarna, kabersihan WC bisa mangaruhan kacenderungan dahar peuting méakkeun leuwih duit di réstoran. Dina survey anu dilakukeun ku Bradley Corp, hiji parusahaan dina aktipitas séktor jamban komérsial, saloba 52 persén Amerika ceuk maranéhna pasti atawa paling dipikaresep méakkeun loba duit dina bisnis jeung jamban well-ngurusan. Nyatana, 64 persén réspondén ngagunakeun kabersihan jamban salaku patokan pikeun milih tempat bisnis mana (kaasup réstoran) anu bakal didatangan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2549", "text": "Hormat ka diri sorangan. Cinta sorangan. Rubuh mental anjeun kusabab anjeun ngarasa teu aya hargana. Anjeun teu peryogi pangakuan ti saha waé pikeun ngarasa diri anjeun berharga, Jauhkeun jalma anu sering ngahina anjeun. Upami teu mungkin, ngirangan interaksi sareng jalma-jalma ieu. Tetep ka minimum. Upami dina interaksi minimal éta masih kajantenan, aranjeunna ngan ukur jalma-jalma anu jauh teuing. Syukur, cokot palajaran ti aranjeunna supados henteu janten jalma sapertos aranjeunna. bisa anjeun teh nyewot, Tapi upami anjeun hoyong ngarobih sareng terang naon anu anjeun pikir bakal ngarobih kaayaan anjeun langkung saé, teras lakukeun. Henteu pikeun nyenangkeun aranjeunna, lakukeun ngan ukur pikeun ngajantenkeun anjeun langkung saé ngeunaan diri anjeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2590", "text": "Kuring ambek tanpa alesan, \"ambek sorangan\", gampang megatkeun hal, naon kahayang kuring keur liwat?\nKuring ngadugikeun dina bagian \"ambek ka diri kuring\", aya sababna? Naha ambek ka diri sorangan aya hubunganana sareng kalimat awal \"ambek tanpa alesan\"? Kumaha kaayaan hate (perasaan) jeung pikiran (pikiran/pikiran) nalika keur jeung/gaul jeung jalma sejen? Jeung dina kaayaan ibadah, sanggeus ibadah, anjeun masih ambek tanpa alesan, anjeun masih ambek sorangan atawa henteu? Atawa anjeun ngarasa tenang pisan sanggeus solat atawa moments dzikir? Ogé kumaha anjeun nalika anjeun nyalira? abenerna boh jalma-jalma lian jeung anjeun (deukeut anjeun) atawa henteu, ngan Allah anu salawasna marengan anjeun sarta Allah nu deukeut ka anjeun, enya, Allah salawasna aya pikeun anjeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3423", "text": "Masalah bau awak pasti nyababkeun teu ngarareunah salila kagiatan. Ieu sering mangaruhan kapercayaan diri nalika berinteraksi sareng jalma sanés. Naha urang bau jeung ngaganggu jalma sabudeureun sangkan maranéhna hoream deukeut jeung urang. Survei anu dilakukeun ku Rexona nunjukkeun yén 9 ti 10 jalma milih cicingeun atanapi henteu nunjukkeun yén aya jalma anu bau awak. Hartina, bau awak téh mangrupa masalah anu kudu dicegah sangkan teu ngarareunah batur jeung ngaganggu kana kahirupan sosial. Hal ieu ogé kaalaman ku aktris Olivia Jensen anu boga rasa sénsitip kana bau. Pikeun manéhna, bau awak batur téh 'first impression'. \"Masalah bau awak téh kacida ngaganggu, biasana kuring langsung boga persepsi négatif ka jalma éta. Kumaha rapih atawa pikaresepeun batur, lamun manehna boga masalah bau awak, citra na di panon kuring bakal kirang,\" cenahna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2051", "text": "Ngarencanakeun waktos diajar sareng naon anu diajar di SBMPTN, bakal nyegah kacenderungan pikeun mamalesan. Sanaos kitu, anjeun ogé kedah fleksibel ngeunaan jadwal. Upami anjeun henteu tiasa 100% dumasar kana rencana, maka henteu kunanaon ngadamel panyesuaian nah iyeu mangrupakeun salah sahiji cara jang nyiapkeun test SBMPTN. Émut, dina nyiapkeun SBMPTN nu ayeuna disebat UTBK, ngalaksanakeun gaya hirup séhat penting pisan supados mémori anjeun dina prestasi maksimal sareng mood jeung énergi anjeun tetep dijaga. Latihan ogé bakal ngabantosan anjeun ngatur setrés. Nalika diajar, tong hilap nyiapkeun cai di gigireun anjeun. Upami diperlukeun, ogé nempatkeun snacks cageur kawas buah. Istirahat antara diajar, sapertos latihan ringan atanapi jalan-jalan di bumi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "665", "text": "Reuwas pisan meunang undian meunangkeun mobil ti salah sahiji brand kopi nu aya di warung. Tapi meunang undianna teh lain dina jero kopina, tapi di hareupeun teras. Mimitina mah teu curiga da siga nu bener nepikeun aya tanda tangan ti polisi. Tuluy weh ngahubungi nanyakeun bener teu. Ceuk nu ngayakeunna mah bener cenah, boro arurang teh percaya weh. Tapi tiap poe didagoan teh euweuh jol wae si hadiah mobil teh. Terus mun ditanyaan ku cara di telepon loba alesan pisan, macet mah, ditahan mah, nu balukarna mah urang kudu ngatransper sajumlah duit. Singhoreng geus saminggu mah karek sadar mun eta teh penipu. Tah matak ulah percaya teuing komo mun undian hadiahna teu jelas mah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "621", "text": "Urang boga panyakit kulit sensitif, jadi mindeng boleksek atawa ka bakar ku panon poe sanajan sakeudeung oge. Hiji waktu urang mariksakeun ka rumah sakit rujukan ti puskesmas anu aya di daerah Cimahi. Urang langsung ka poli kulit tuluy dititah buka baju. Saenggeus dokter ninggali jeung dipariksa sabari ditanyaan iraha karasana, dokter ngomong panyakit kulit urang acan aya obatna, tapi sairing waktu mah bisa cageur sorangan. Tidinya urang reuwas jeung bingung kudu kumaha, tapi untungna dibere saran ti dokterna ngameh panyakit kulit urang teu babari nyebar jeung teu karasa arateul, oge dibere nyaho supaya teu beuki nambahan jeung kudu leukleuk ngubaranna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2205", "text": "Ieu carita kuring. Waktu keur SMP, kuring boga babaturan deukeut. Dimana-mana urang salawasna babarengan. Anjeunna 180 derajat lengkep sabalikna kuring. Abdi mangrupikeun jinis introvert, sepi, teu terang, bahkan panginten sombong. Bari anjeunna extroverted, riang, gaul. Aing teu nyaho kunaon manehna ngajak ngobrol jeung ahirna urang jadi babaturan :) geus nyaho manehna boga kabogoh ti SMP. Pernah ka aing geus boga mantan ti SD :') Tapi, da ari sifat jahiliyah mah, aing nganggap wae. Kuring éta goblog lamun éta ngeunaan cinta atawa hal. Salah sahiji regrets pangbadagna abdi ieu: Abdi teu bisa nyegah sobat ti dating salajengna (kana hubungan teu damang). nu ahirna mah sobat kuring asup ka lingkungan narkoba, nu yieun si eta asup penjara nepi kayeuna", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7227", "text": "Salaku mahasiswa anu dekeut jeung dosen, abdi mineng pisan dipentaan tulung ku dosen. Mulai ti nyiapkeun baha ajar, nepikeun ka ngerjakeun proyek dosen. Abdi atoh-atoh wae lantaran abdi janten tiasa diajar leuwih ti mahasiswa nu sanes, manehna oge sok masihan hadiah jeung nraktir dahareun. Abdi oge mineng meunang nilai alus lantaran geus paham pisan materi anu diajar ku dosen eta pedah mineng ngobrol jeung diskusi. Hiji poe dosen ieu masihan hiji tugas anu lumayan hese jeung seeur pisan, manehna nyarios yen ieu proyek teh mangrupakeun proyek sareng universitas di Jepang. Pas proyekna geus rengse, dosen menta nomer rekening kuring, manehna masihan artos kanggo hadiah lantaran kuring tos ngabantosan manehna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "341", "text": "Urang inisiatif daftar deui LPDP di taun hareupna nyaeta taun 2020. Tapi teu diayakeun sabab keur aya pandemi. Jadi LPDP muka deui teh di taun 2021. Sabab nilai toefl urang geus kadaluarsa, jadina urang kudu tes deui. Urang tes hasilna teu jauh beda jeung tes anu kahiji. Kawas biasa urang ngalengkepan administrasi jang jadi syaratna, tapi aya kabijakan anu anyar nu beda jeung taun saacanna, nyaeta kudu aya kartu prasejahtera. Kolot urang ge boga sabenerna mah, tapi aya masalah sabab ngaran dina kartu jeung ngaran anjeunna teh beda. Kusabab eta jadina di tahap administrasi urang dinyatakeun teu lulus ku pihak LPDP.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5239", "text": "Kasalahan paling gede nu dilakukeun ku hampir sabagean besar jalma nyaeta sieun nyoba hal anyar, atawa sieun ngamimitian hal anyar. Rata-rata ngan sabagean jalma nu wani ngambil resiko bari pertaruhkeun naon nu dipibogana. Misal, mun urang sieun ngamulai muka usaha, pasti nepi ka iraha wae ge urang moal aya kamajuan dina segi ekonomi, komo mun nepi ka sieun pertaruhkeun aset nu dipiboga. Tah hal ieu teh ngahambat pisan kana pengembangan kamajuan diri urang sorangan jeung oge karir urang. Ku kituna, penting pisan urang evaluasi diri sorangan bahwa lobana kagagalan nu dialami dina hirup teh tina sikap urang nu teu wani ngamulai sesuatu. Tidinya, urang bisa nyimpulkeun bahwa kagagalan teh sabenerna pilihan nu bisa diperbaiki ku cara ngadukeun kawani.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3414", "text": "Margaretha ogé ngajelaskeun yén anu nyababkeun karusuhan kleptomania ieu disababkeun ku obsesi atanapi kahayang anu terus-terusan pikeun gaduh barang batur. Alesan jalma bisa boga kahayang pikeun sorangan hal batur biasana patali jeung kaayaan stres atawa kaayaan anu memicu munculna kabiasaan maling.\r\n\r\nMargaretha nuluykeun, kaayaan stres anu memicu munculna kabiasaan maling umumna disababkeun ku sababaraha faktor. Kahiji, faktor biologis saperti jalma anu rawan stress sabab awakna kakurangan neurotransmitter, hormon serotonin, jeung zat séjén anu masih dina tahap panalungtikan.\r\n\r\nKadua, faktor psikologis sabab jalma anu karusuhan kleptomania biasana ngagaduhan gangguan psikologis atanapi komorbiditas sanés, sapertos gangguan kapribadian, penyalahgunaan zat, sapertos alkohol sareng zat adiktif sanés, sareng gangguan mood, sapertos déprési atanapi bipolar.\r\n\r\n\"Ieu tiasa janten sabab, tapi ieu ogé tiasa janten dampak. Jalma-jalma ieu kusabab gagal ngeureunkeun kabiasaan maok, aranjeunna tiasa janten setrés sareng depresi. Tapi, di sisi anu sanés, upami aranjeunna henteu maok aranjeunna tiasa setrés sareng depresi sabab paksaan pisan obsesip sareng paksaan anu kuat pisan, ”saur Margaretha.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6849", "text": "Pangalaman meunang lotre anu kuring alami nyaéta nalika kuring milu lotre anu diayakeun ku toko ritel anu terkenal di kota kuring. Kuring ngeusian formulir undian anu disayogikeun sareng dikirim ka toko anu dimaksud. Sababaraha minggu ti harita, kuring meunang telepon ti toko yen kuring dipilih salaku juara undian. Abdi bagja pisan sareng reuwas nalika nguping wartos ieu. Kuring tuluy diondang pikeun ngahadiran acara mere hadiah di toko. Nalika kuring dugi ka dinya, kuring disambut ku toko sareng dipasihan tuangeun sareng inuman. Aranjeunna oge masihan kuring kado anu tiasa dipilih, nyaeta tipi anyar. Abdi nganuhunkeun pisan sareng bagja pisan tiasa nampi hadiah ieu.\r\n", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "755", "text": "Rasa diabaikeun atawa teu dipadulikeun ku batur nu sabudureun bisa nyieun urang jadi babari ngambek. Tapi da emang jelema mah pada dasarna emang makhluk sosial nu boga harepan jang neangan kapuasan ti hubungan sosial. Pas kabutuhanna teu tinekanan, hal ieu bisa nimbulkeun emosi negatif. Salah sahijina ngambek. Siga urang sok ngambek di kostan, ngambekna sabenerna ngarepkeun babaturan mantuan mereskeun kostan. Tapi ku sabab teu bisa ngungkapkeun kahayang eta, teu jarang urang ngalampiaskeun ku aambekan euweuh sababna. Nepi mun ngabereskeun atawa ngarapihkeun tempat sare oge bari ngagebug-gebur kasurna. Padahal mah teu kudu aambekan, da teu kabeh jelema ngarti naon nu ku urang rasakeun. Urangna nu kudu langsung ngomong sorangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7527", "text": "Dina ajaran Islam, budak lalaki wajib kedah disunat. Bulan ieu Insya Allah dulur abdi bakal disunat. Butuh waktos anu lumayan lami kanggo ngabujuk manehna supados hoyong disunat. Akhirna manehna hoyong disunat saatos diolo bakal dipangmeulikeun hape. Pas angkat ka rumah sakit manehna embung kaluar ti mobil. Manehna jol ngarasa teu yakin hoyong disunat nepikeun ceurik. Tapi untungna aya rerencanganna anu ngayakinkeun manehna yen disunat mah moal nyeri, komo engke bakal dipasihan seeur hadiah ku tatanggi jeung kulawargi. Pas ningal aya batur anu tos disunat, manehna hampir ceurik. Manehna hoyong balik deui tapi era ningal aya budak leutik anu wani disunat. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3351", "text": "Salaku manusa anu beradab, kuring bakal ningali heula kaayaan di sabudeureun upami di tempat anu sepi (di ruang tunggu anu sepi) teras kuring bakal angkat normal (teu paduli aya sora atanapi henteu) Kadua upami aya anu caket. kuring (ngan hiji jalma di gigireun kuring) sareng tiasa angkat ka tempat anu kuring resep angkat ka tempat anu langkung sepi sareng ngantepkeun kentut kuring kaluar aya KETIGA upami éta di tempat anu sempit sareng urang henteu tiasa angkat ti tempat éta (dina beus) Kuring bakal ngantep éta kaluar tapi ngaleutikan sora (jadi euweuh fistfights lumangsung). Leres, kentut mangrupikeun hal anu alami sareng teu tiasa dicegah. Tapi urang salaku manusa anu boga hak asasi manusa leuwih hade ngahargaan HAM batur anu oge teu hayang ngambeu kentut urang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7494", "text": "Salila abdi numpak kareta, ieu janten kahiji kalina abdi meunang pangalaman anu kirang sae. Abdi mikir yen kareta mah mangrupakeun transportasi anu aman tibatan beus atawa angkot, tapi nyatana abdi ngarasa sieun. Pas nuju angkat ka Purwakarta peuting-peuting abdi sareng panumpang anu sanes dititah cicing dina kolong korsi jeung ngamankeun barang-barang lantaran di gerbong sabeulah aya preman anu mawa senjata. Abdi sieun pisan lantaran kondisina ieu kareta karek pisan maju, janten bakal hese ngaluarkeun eta preman lantaran stasion anu pang dekeutna masih keneh sababaraha ratus kilometer deui. Abdi sareng panumpang anu sanes ngadua sasarengan supados teu aya nu cilaka di dieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6897", "text": "Ti baheula keneh, sateuacan nikah lamun ditaros hoyong nikah siga kumaha. Abdi gaduh kahoyong bade nikah anu biasa-biasa wae. Hoyongna mah ngang ngondang sakedik jalmi supados leuwih khusyu. Alhamdulillah taun ieu abdi ditepangkeun sareng jodoh anu boga kahoyong anu sami, kulawargina oge teu masalah lamun urang nikah ku cara anu sederhana. Abdi nikah di hiji tempat anu aya taman luas jeung hiji gedung anu teu pati gede. Poe ieu cuacana ngadukung pisan, teu pati panas jeung teu pati tiris, sadayana lancar teu aya masalah. Abdi oge tiasa ngobrol sareng para semah anu datang lantaran jalmi anu diondangna teu seeur teuing. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7855", "text": "Unggal poe, lamun aya tukang tahu anu ngaliwat di hareupeun imah, pasti mamah meser, Tahu mangrupakeun dahareun anu gampang pisan diolahna jeung hargana mirah, tapi lamun hayang awet kedah diteundeun dina kulkas, Hiji poe, basa abdi nuju ngagoreng tahu kanggo dicocol ku sambel, abdi poho nyimpen deui tahuna dina kulkas, isukna abdi teu sadar yen abdi teu acan nyimpen deui tahuna ka kulkas, janten pas diambuan tahuna geus leeur jeung biye, warnana oge geus rada bereum eta tandana geus buruk, di luhurna oge geus bulukan. Pokona mah bauna oge geus buruk, kapaksa tahuna kedah langsung dipiceun, padahal tahuna loba keneh. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8488", "text": "Henteu deui maen musik, Vincent Rompies ayeuna fokus kana janten presenter talk show di stasiun televisi swasta. Babarengan jeung pasanganna, Desta, duanana mindeng nyieun bentang tamu seuri. Sapertos naon anu dilakukeun ku Vincent Rompies nembe nalika anjeunna tampil langsung. Anjeunna tindakan minangka tukang ubar anu nawiskeun daganganana. Sabot rek jongkok, kadenge sora calana Vincent Rompies nyeak. Tangtu, hiji studio sareuri. Sareng Vincent oge era. Manehna nutupan bagian calana nu robek ku jaket. Tetela, kajadian calana robek nalika muncul dina televisi henteu kahiji kalina Vincent Rompies ngalaman ieu. Desta oge ngingetkeun deui ku unggah video anu sanes. Ieu kajadian geus lila pisan, 11 taun ka tukang. Waktu eta, Vincent masih boga awak cukup pinuh. Bari guyonan jeung Desta, ujug-ujug calana panjang coklat anu di anggo Vincent robek.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6308", "text": "Sampah nu numpuk teh bakal ngundang panyakit ka sakitaran nana. Salian lingkungan nu ruksak, oge bakal mencemari cai, taneuh, jeung udarana. Cai sumur nu deukeut gundukan sampah mah bakal teu beresih sabab geus kaserepan sampah nu numpuk. Taneuhna oge teu gembur deui sabab geus kakontaminasi ku sasampahan nu narumpuk. Udara sakitaran na ge bakal jadi hapeuk jeung teu aya udara beresih sabab hihiliwiran bau sampah. Mun geus kitu mah bakal loba panyakit anu ngahampiri, terutama anu deukeut jeung tumpukan sampahna. Mantakna, yuk buang sampahna tong sembarangan komo diingkeun nepi ka ngagunung mah! Ulah nepi ka nimbun panyakit jeung diri sorangan!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5207", "text": "Adi kacida bungahna sabab gaduh rai. Raina teh istri deuih, pas pisan sareng nu dipikahoyong ku Adi. Basa raina lahir, Adi ngantosan di bumi jeung ninina, teu ngiring ka rumah sakit sabab terbatas ku covid-19. Alhamdulillah raina lahir selamat. Perasaan Adi mimiti ningali raina meuni atoh pisan, acrig-acrigan kaditu kadieu saking girangna. Adi teu eureun ngusapan pipi raina, malahan mah raina dicepeng ku batur nu ngalongok teh ulah. Bakat ku nyaah jeung geugeut meureunan. Ti saprak gaduh rai, Adi tara ameng kaluar, di bumi we ngantosan raina. Mun raina bobo ge sok ditungguan wae ku Adi saking ku nyaaheun nana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5211", "text": "Di Jawa mah aya salah sahiji adat nu biasa dilaksanakeun dina raraga lahiran orok. Poe mimiti lahir, aya nu ngaranna mendhem ari-ari. Kagiatan ieu teh mangrupa ngurebkeun ari-ari orok ku bapakna teu lila saenggeus eta orok lahir. Dikurebkeun na di pipireun imah. Nincak poe kadua lahir, aya nu ngaranna brokohan. Brokohan teh sarupa syukuran leutik nu dilaksanakeun sapoe saenggeus orok dilahirkeun. Tah mun poe kalima lahir sok diayakeun sepasaran. Sepasaran teh upacara itungan pasaran poe lahir jeung deuih pangumuman ngaran eta orok. Beres eta aya deui puputan. Puputan mah dilaksanakeunna parengan tali puser orok teh puput atawa putus. Tah tuluy beres eta aya deui aqiqah. Upacra aqiqah mah diayakeun na sebagai bentuk syukuran kaberkahan nu dilaksanakeun ku meuncit domba, sasuai jeung sunah Nabi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5649", "text": "Jaman ayeuna mah loba nu bobogohan keneh tapi geus sering duduaan ka mana-mana. Teu jarang oge nu pasanganna nepi ka wani kasar. Biasana aya lalaki nu abusif pisan ka pasanganna, tuluy ngajadikeun hubunganna toxic. Mun manggih pasangan nu wani nyarekan komo wani neunggeul, mending tinggalkeun, teu kudu dipertahankeun. Sabab keur bobogohan keneh wae ge wani kasar, komo mun geus ngahiji dina pernikahan, bakal leuwih. Mantak, mending neangan deui we nu leuwih bageur jeung leuwih ngahargaan. Teu pantes katingalina mun ku kolot dipupusti, eh ku kabogoh sorangan di kasaran komo wani nepi ka neunggeul. Mending geus tinggalkeun langsung we, teu kudu ngarasa kaduhung.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4687", "text": "Kahirupan tuluy maju kahareup urang teu bisa tutuluy an hirup din kasieunan sieun di bully, lamun kaws kitu tuluy urang hirupna bakal kit kitu wae moal bisa maju, jadi jalan hiji hiji na nyaeta urang kudu bisa ngalawan rasa kasieunan di bully eta sorangan, aya loba cara sangkan urang bisa ngaleungitkeun rasa kasieun di bully aya cara na mimiti urang tong kaciri yeun urang teh sabenerna sieun di bully urang kudud kaciri yeun urang ayeun ageus wani jadi jelema anu biasa ngabully bakal ningali urang lain sasaran bully an na deui. lamun urang leuwih wani jeung percaya diri batur eweuh anu wani dei ngabully urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2234", "text": "Data pang anyarna ngeunaan lansia terlantar di Jawa Barat aya 36.728 urang. Seuseueurna dumuk di Sukabumi, nya éta 14.851 jiwa. Salah sahiji carita na mereunan aya di sakitar urang, mereunan carutana bakal kos kiyeu. Carita sedih ngeunaan hiji akina anu hirup nyorangan di gubuk sangsara. Kuring ngarasa karunya jeung keuna ku kahirupan akina heubeul, manéhna geus kolot, sarta manéhna hirup sorangan. Abah Ali (72 taun) ngaranna. Éta anu disebut warga satempat anjeunna. Si akina sepuh cicing di gubuk sangsara ukuran 2×2 meter. Pondok mini tempatna teu jauh ti sisi walungan. Pondok anu dicicingan ku Abah Ali ngahaja diwangun di tengah kebon lantaran teu hayang ngaganggu budakna. Ti saprak pamajikanana maot, Abah Ali geus ngamimitian hirupna sorangan. Hasilna, Abah Ali milih cicing di pakarangan kebon. Dina raraga neraskeun saumur hirupna ti saprak pamajikan tercinta ditinggalkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5535", "text": "Salila ieu Siti sok ngarasakeun nyeuri dina beuteungna. Komo mun keur haid mah sok nyeuri pisan teu katulungan, sok nepi ka parias pisan rarayna. Unggal beubeuratan ge sok karasa nyeuri pisan dina beuteung handap. Hiji poe mah Siti dipariksa ka dokter di klinik nu lengkap. Siti tuluy di rontgen jeung di USG. Pas ningali hasilna, saur dokter Siti teh kena panyawat kista, janten aya sel nu tumbuh dina rahimna. Siti kacida reuwasna sabab kedah dioperasi. Siti ngarasa sieun mun dioperasi, tapi mun henteu dioperasi ge sieun bisi ngagedean. Akhirna daek teu daek Siti operasi sasegera mungkin. Mudah-mudahan dilancarkeun dina sagalana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3375", "text": "Caritana kuring lain anu mimiti ngabagéakeun. Jadi caritana balik deui ka bank harita teh lantaran aya urusan di dinya. Kusabab korsi aya extended bisa pikeun 5 urang. Ku kituna kuring diuk di tungtung. Terus, teu lila kuring diuk, aya 2 budak awewe diuk gigireun kuring. Kuring tetep sirah kuring handap bari maén dina handphone kuring. Beuki lila maranéhna beuki deukeut diuk jeung kuring bari neuteup ka kuring sadaya waktu. Dina hate kuring mikir 'aya naon ieu jelema ti tadi..' teu lila maranehna nyalami bari nyebut ngaran 'ayu' kuring langsung neuteup ka maranehna ekspresina reuwas, meureun gara-gara salah jelema. Maranehna langsung menta hampura jeung suasana jadi kagok pisan. Maranéhanana ngomong kuring kasampak pisan kawas babaturan maranéhanana. Kuring ngan seuri atoh. Tapi kuring mikir \"Naha raray kuring leres-leres tiasa dipasarkan?", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1014", "text": "Ku sabab gawe teu nangtu balikna, komo mun keur loba gawean biasa wae nepikeun ka lembur di kantor anu nyebabkeun balikna oge jadi peuting. Keur mah di tempat urang loba nu kajadian ditodong senjata, boh eta rek nyokot barang anu aya di urang, atawa ngalakukeunna ngan saukur bersenang-senang. Matak urang mah sok sadia peso leutik di sakuan kana jaket pas waktu rek balik peuting. Ieu ngabantuan urang di mana mun aya nu rek niat jahat ka urang, urang geus siap ngalawan. Tapi mun sakirana urang sieun ku sabab jumlahna loba, urang mendingan mundur. Urang ngalawan teh mun sakirana bisa meuang duel.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7276", "text": "Abdi resep pisan ngadatangan acara anu sok babagi hadiah. Basa abdi nuju jalan-jalan di mol sareng rerencangan. Abdi ningal aya tete-teteh anu nawaran hadiah lantaran nuju cuci gudang. Carana urang tinggal nyandak nomer anu aya dina kotak, teras lamun urang untung, urang tiasa nukerkeun eta hadiah sasuai jeung nomerna. Abdi sareng rerencangan langsung nyobian, syaratna urang tinggal meser hiji produk minuman anu diical ku tetehna. Lantaran nuju haus, abdi jeung rerencangan langsung meser minuman teras nyandak nomer hiji ewang. Pas ditingal, abdi meunang nomer lima belas, rerencangan abdi meunang nomer dua puluh hiji. Pas ditukeurkeun ka tetehna abdi meunang botol minuman anu tiasa dicuci.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3309", "text": "Jaman kuring alit jeung masih sakola, guru urang miwarang unggal murid mawa dahareun pikareueuseun, sanajan dina budaya urang jalma resep jeung eta dianggap pikareueuseun tapi lolobana jalma ngalakukeun. Tiap kabudayaan pasti aya kadaharan saperti kitu? Émut, ieu kajantenan taun 90an sateuacan média sosial sareng Internét, globalisasi masih janten topik anu énggal sareng panas. Waktu éta aya 12 siswa di kelas anu asalna ti rupa-rupa kabangsaan. Pamungkas, kuring mawa kadaharan anu paling pikareueuseun sadaya, lauk fermentasi ti Swedia disebut Surstromming, waktos guru urang muka kaléng, bau sareng seungit sapertos selokan Sukabumi (punten urang India) dicampur sareng kimchi fermentasi sareng saos lauk, seungitna pisan. disgusting, sumawona dahar eta. Abdi teu tiasa ngajelaskeun kumaha goréng éta bau atanapi bau, hal anu anjeun teu hoyong ngalaman, khususna nalika budak leutik. Kami trauma sababaraha dinten sareng dinten dugi aranjeunna mecat kami satengah dinten di sakola.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9159", "text": "Lamun liburan akhir taun, kuring sareng kulawarga resep nganjang ka bumi nini. Imah nini kuring the rada jauh, mun ka dinya kudu tilu jam perjalanan. Biasana lamun urang capé jeung hayang pipis urang bakal eureun heula di SPBU. Harita urang hayang pipis, teras we mampir ka SPBU, bari bapa abdi oge hoyong ngagaleuh kopi sareng roko supados ameh teu tunduh. Nalika kuring di kamar mandi, kuring reuwas pisan sabab kamar mandina kotor. Tong sampahna pinuh ku pembalut bekas sareng runtah popok orok, sareng solokanna ogé macét, janten caina ngeuyeumbeu di dinya. Kuring ngarasa jijik pisan, nepi ka hayang utah wae. Ku kituna kuring ogé buru-buru pipis, geus kitu bari nahan napas sabab kamar mandi bau. Sabot rengse, kuring buru-buru kaluar ti dinya, kuring teu tahan pisan ku bauna. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6942", "text": "Lantaran lanceukna gagal janten TNI. Rerencangan abdi nyobian asup TNI oge kanggo ngalajengkeun perjuangan lanceukna. Manehna yakin tiasa asup TNI sanajan teu aya hiji-hiji acan di kulawargina anu janten TNI. Manehna tos seeur pisan latihan fisik mulai ti push up, sit up, pull up, nepikeun lumpat unggal poe. Salila sabulan ieu manehna teu ereun latuhan unggal poe sabari dicatet hasilna. Pas tos dekeut waktosna pendaptaran, manehna langsung nyiapkeun kanggo tes administrasi anu lumayan seeur, tapi untungna lantaran lanceukna kungsi daptar, lanceukna seeur masihan apal naon wae berkas anu kedah disiapkeun. Hanjakal pisan pas dites kasehatan manehna gaduh mines dina panon na janten teu tiasa janten TNI. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4392", "text": "Body shaming atawa ngahina fisik nyaeta paripolah ngritik atawa ngomentaran awak atawa awak sacara negatip. Naha eta nyolok awak anu gendut, kurus, pondok, atanapi jangkung, eta sami sareng nalika anjeun ngalakukeun bullying verbal. Alesan jalma-jalma ngalakukeun body shaming rupa-rupa, ti mimiti hayang nyenangkeun suasana, ngajak seuri, sakadar iseng, nepi ka hayang pisan ngahina. kabiasaan ieu bisa boga dampak negatif kana kasehatan mental korban. Jelma anu sok body shaing atawa ngahina fisik batur ieu teh biasana jadi kabiasaan anu goreng. Matak ka jelema anu kawas kieu urang kudu bisa tegas jeung ngabela diri. Carekan atawa tegus weh jelema anu kawas kitu, emang dimana mana sok aya wae jelema modelan kieu boh di dunya nyata atawa sosial media.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8249", "text": "Faruk menangkeun pagawean di luar Pulau Jawa, leuwih leresna di Lampung. Sanes bungah Faruk gawe di salah sahiji kota di Pulau Sumatra ieu nanging manehna kalahka ngarasa sieun ngalakukeun nanaon teh. Karakter jalmana benten sareng karakter jalma urang sunda. Didieu mah nyarios teh tararik tur kadanguna kos nu keur amek-amekan janten Faruk teh sieun. Upami datang ka tempat anyar di kota ieu manehna sieun ka sasar ka tempat-tempat nu bahaya kusabab manehna asing keneh sareng ieu daerah. Ditambiih oge seueurna kampung begal di kota ieu. Janten salila sataun mimiti Faruk teh ngalaman nu ngaranna sieun aya di tempat nu asing nu can manehna kantos datangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6376", "text": "Zaman ayeuna mah sagala aspek kahirupan teh pasti ngagunakeun teknologi. Malahan mah ayeuna panyadia hutang teh lain wae koperasi atawa perbankan, tapi oge aya lewat aplikasi. Tah proses ieu teh namana pinjol atawa pinjaman online. Biasana mah pinjol teh sok aya nu resmi jeung nu ilegal. Tah pinjaman dina online teh babari pisan prosedurna, jeung pencairanna oge henteu riweuh. Tah aplikasi penyedia jasa pinjaman online teh nyaeta jiga Akulaku, Shopee paylater, jeung sajabana. Mantakna, ayeuna mah gaduh hutang ge moal era sabab loba nu nagih ka imah, da teu katingali sabab pinjaman na ge online. Jadi, penagihan na ge paling dihubungi lewat hape.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5116", "text": "Mimiti nincak kampus Unpad, abdi meuni asa teu puguh rarasaan. Awak teh asa ngageter teu pararuguh, teu bisa dikontrol, saking atohna. Leungeun kenca jeung katuhu ge asa baal, tariis, jeung asa euweuh leungeunan. Abdi diuk heula di deukeut gerbang sabab sampean teh asa nyoroncod, teu kuat dibawa mapah. Pikiran abdi kamana-mana, ningalikeun nu aya di sakuriling bari sakapeung mikiran ieu teh lain ngimpi kitu nya. Awak teh asa nu ngalayang, euweuh ragaan jang nincak. Duh eta saking ku atoh jeung speechlessna abdi ningali kampus nu salila ieu diimpen-impenkeun. Alhamdulillah ayeuna mah kasampean ge bakal kuliah didieu salila opat taun lilana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2469", "text": "Waktu kuring SD, kuring dikerjaiin dina ulang taun kuring. Ku kituna, nalika kuring asup sakola kuring dijauhan ku babaturan kuring. Kulantaran masih SD, kuring bingung jeung maranehna, kuring nyobaan nanya tapi maranehna ngajauhan. Ieu terus nepi ka istirahat réngsé, nepi ka ahirna babaturan ngabejaan kuring yen kuring keur beh kesel. Lajeng jam panungtungan guru kuring datang ka maén on kuring cenah mah buang sampah sambarangan. Kuring bingung, can muka dahareun. Kuring menta bukti, cenah kelas gigireun kuring nempo kuring runtah. Abdi nyarios sadayana, dugi ka panon kuring pinuh ku cipanon (enya, éta ogé budak leutik anu nangis, tapi kuring nyobian kuat). Ahirna guru kuring nyarioskeun kaleresan yén anjeunna sareng réréncanganna ngan ukur maén prank daya ka kuring. Teras, tina kajadian éta kuring mimiti jarang ceurik deui, sareng nyobian tetep tenang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2600", "text": "Ayeuna kuring 21, hartina geus 14 taun kuring teu acan diperlakukeun adil di imah.\r\nEma, Papa teu pernah adil ka kuring. sadaya anu saé dipasihkeun ka lanceuk kuring sareng tungtungna kuring sok dititah nyerah. ieu mah sok, mun teu kacumponan bakal ambek.\r\n14 taun, aranjeunna geus diperlakukeun teuing unfairly, malah kuring bingung ngeunaan jenis perlakuan aranjeunna gaduh.\r\naya hiji nu bener-bener nyentuh haté kuring. Abdi kelas 2 SMA, waktos harita abdi dipasihan hp ku indung abdi sareng eta mantan adina. jeung isukna kuring teu kahaja nempo hp lanceuk kuring jeung manehna meuli handphone anyar keur indung kuring, éta nyeri pisan parah tapi kuring teu diperlakukeun adil.\r\nsaminggu katukang kuring kacilakaan jeung ema teu merhatikeun kuring, upamana mere betadine, atawa meresihan tatu, nu kaluar tina sungutna 'motor na jadi rusak' kuring ngan ngabales seuri. Abdi émut pisan kumaha hariwang rarayna nalika adina kacilakaan, indung kuring ngabersihkeun tatu, masihan betadine, sareng nempatkeun hansaplast. Kuring nempo sagalana jelas ti mimiti nepi ka ahir, perlakuan asih ka lanceukna, nu kuring bisa jadi timburu, abdi oge hoyong diperlakukeun sarua. hahaha kuring ngarepkeun naon anu bodo pisan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "386", "text": "Lamun kolot pisah pepegatan pas urangna geus dewasa, pasti bakal boga perasaan anu sieun, ngambek, hariwang, bingung, jeung sedih saenggeus apal ngeunaan pisah pepegatanna kolot. Lamun ngarasa kawalahan kudu inget hal-hal ieu. Nu kahiji, kudu apal lamun urang teh teu sorangan. Nu kadua, kudu ngarti lamun perasaan jeung pangalaman teh emang sarua. Nu katilu, kudu ngaku lamun urang emang sedih ngeunaan kolot pegat pipisahan teh. Nu kaopat kudu netepkeun batasan anu sehat. Nu kalima, menta ngameh kolot urang ngajauhan masalah pribadi maranehanana ti acara perayaan. Lamun pegat pipisahanna pinuh ku dendam, kudu diingetkeun lamun maranehanana teh pernah mikabogoh jeung nyiptakeun kulawarga babarengan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9173", "text": "Barang jol ka imah, kuring langsung andiprek dina ubin saking ku cape. Teu lila jol si bungsu ngagabrug bari gek dina lahunan. Kuring rada kerung ngambeu baju nu dipake ku manehna, kaangseu hanyir pisan.\" Teeeeeeh, kunaon ieu acuk ade meni hanyir kieu? \" Tanya kuring ka si cikal. \"Muhun Mah, eta acuk teh diseuseuh mangkukna, nembe tiasa kapoekeun kamari kumargi hujan ngecrek wae.\" Walon si cikal. \"Euuuh atuh paingan atuh ari kitu mah.\" Ceuk kuring teh. Ku kuring si bungsu dititah ganti baju ku nu sejen sabab kuring paling teu resep ngambeu bau hanyir. Ari si bungsu sok rada hararese ari dititah ganti baju teh. Kuring ampir utah ngambeu hanyir tina baju si bungsu. Geus ningal kuring kitu mah karek manehna daek disalin ku baju sejen. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2473", "text": "Ferdian Paleka nyieun adegan gara-gara gura-giru nya éta méré kotak-kotak kadaharan anu eusina runtah ka waria jeung barudak. Naon versi carita korban?\nSalah sahiji korban kalakuan bangor YouTuber nyaéta Sani (39). Anjeunna ngungkabkeun, kajadian gurauan 'makanan' sampah lumangsung dinten Jumaah (1/5) subuh. Waktu harita Sani jeung baturna aya di sisi Jalan Ibrahim Adjie Kota Bandung. \"Tuh, mobil ngaliwat ka ditu. Terus nelepon, cenah rek ngabagi rejeki. Terus ditelepon babaturan kuring. Ditanyakeun hiji-hiji,\" ceuk Sani waktu ditepungan sanggeus nyieun laporan di Mapolres Bandung. , Jalan Jawa, Kota Bandung, Senén (4/5/2020). Sanggeus muka kotak, tétéla éta runtah sayuran. Sani kuciwa jeung nyeri hate ku kalakuan Ferdian. Anjeunna henteu nyangka saha waé anu gagabah dina bulan Ramadhan sareng pandémik COVID-19.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8231", "text": "Urang teh kudu waspada tur boga kasieun upami keur leumpang di tempat nu tiiseun. Temat nu tiiseun teh tiasa janten tempat kajadian tindak kriminal sapertos pencopetan, perampokan, atanapi pamerkosaan. Urang kudu was-was upami urang keur leumpang aya jalma nu teu urang wauh nuturkeun ti tukang. Ieu teh janten indikasi jalma nu arek ngalakukeun tindakan kriminal. Tos seueur kasus-kasus nu kajadianna sarupa. Upami aya nu nuturkeun urang kudu buru-buru ninggalkeun tempat nu tiiseun eta pikeun ngahindarkeun perkawis-perkawis nu teu dihayang. Parasaan sieun teh tiasa janten isnting manusa upami aya nu teu ecreg sareng kaayaan sakitar atanapi aya dina situasi nu tiasa ngabahayakeun. Upami tos ngarasa aya nu teu ecreg tur muncul rasa kasieun urang kudu precanten ka perasaan eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "268", "text": "Ceuk urang mah kudu miluan lomba, komo deui nu masih pelajar atawa mahasiswa mah, lantaran bisa ngaronjatkeun softskill, miluan lomba teu ngan saukur ngembangkeun kamampuan intelektual. Tapi miluan lomba oge bisa ngasah softskill, misalna narima lamun eleh, jeung di ajar disiplin. Miluan lomba oge bisa nambah pangalaman, ku miluan lomba bisa meunangkeun pangalaman nu gede ajenna. Teu kabeh jelema boga pangalaman miluan lomba salila hirupna. Hirup ngan sakali, lebar lamun ngaliwatkeun kasempetan. MIluan lomba oge bisa jang ngeusian CV, ieu penting jang karier di masa hareup. Lantaran bisa nyantumkeun penghargaan salaku nu juara kana CV na engke. Hal ieu bisa nambah nilai lamun hayang gawe atawa daftar beasiswa.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6071", "text": "Gangguan kasehatan mental jadi salah sahiji isu nu loba nyerang jalma zaman ayeuna. Komo basa marakna wabah covid-19 mah, gangguan kasehatan mental teh ngalami kaningkatan jumlah. Hal ieu ngabuktikeun yen jalma teh sabenerna bisa disebut gering dina fisik nu kaayaanna sehat. Jadi, gangguan kasehatan mental teh dinilai ngarugikeun pisan tibatan gangguan kasehatan fisik. Salah sahiji gangguan kasehatan mental nu loba nyerang jalma nyaeta panic attack. Hal ieu teh mangrupakeun hal nu loba pisan dirasakeun ku jalma sabab loba teuing kasieun jeung overthinking dina ngahadapi sesuatu. Wanca ayeuna mah kasehatan mental teh loba digalakkeun jeung disosialisasikeun ku pamarentah jeung komunitas-komunitas sosial nu boga kapekaan dina urusan kasehatan mental.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4073", "text": "Umur lima tahun kolot urang peupeugatan, urang ti leuleutik hirup jeung nini urang. Urang teu nyaho rupana indung jeung bapak, eweh poto jeung eweh HP jaman baheula mah, pokona urg teh teu bisa papanggih jeung kolot urang sorangan. Mun sakola urang sok di anter ku nini urang, sagala serba ku nini urang. Geus rada gede ge urang can nyaho rupa indung bapak kos kumaha, unggal poe urang teh ngan bisana leweh di kamar bari nulis jeung ngagambar. Kadang sok bingung mun di sitah milih antara bapak jeung mamah, sabab urang teu nyaho kos kumaha bapak jeung mamah. Sedih mun nempo babaturan nu di imahna aya kolot lengkap, asa ku hayang ngarasaan boga kolot. Tapi urang bersyukur masih boga nini, nu sok ngurusanan urang nepika gede. Urang di didik, di urus, jeung di pika nyaah ku nini. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7228", "text": "Unggal poe abdi naek angkot ka sakola, teu ngan naek angkot hungkul abdi oge kedah mapah heula sababaraha ratus meter kanggo manggihan angkot. Salila abdi mapah, di jajalaneun sok seeur jalmi anu ningal kuring mapah. Teu sakedik oge anu ningalikeun sabari karunya ka kuring lantaran mapah wae unggal poe ka sakola, jaba angkat isuk-isuk jeprut, balik pas geus sonten pisan. Hiji dinten pas balik ti sakola kuring ningal aya motor parkir dihareupeun imah, tapi abdi can pernah ningal motor eta sateuacanna. Pas abdi naros ka bapa, bapa miwarang abdi nyobian eta motor lantaran ieu motor hadiah kanggo kuring anu sakedeung deui kuliah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3364", "text": "Survei, anu dilaksanakeun sacara konsistén salami langkung ti 10 taun, ogé mendakan yén seuseueurna warga Amerika gaduh persépsi yén bisnis anu saé sareng kualitas kedah ngagaduhan jamban anu dijaga sareng dijaga. \"Jadi, nalika datang manggihan jamban anu kotor tur teu kaurus, persepsi maranéhanana ngeunaan produk jeung bisnis ogé bakal ngurangan,\" ceuk Jon Dommisse, Diréktur Stratégi sarta Pangwangunan Perusahaan di Bradley Corp sakumaha dilaporkeun ku Food jeung Anggur. Kabersihan toilet ieu malah tiasa mangaruhan penjualan. Saloba 55 persén responden condong teu hayang balik deui ka réstoran lamun toilet teu beresih. Sabalikna, toilét anu dijaga saé bakal narik sémah sareng ningkatkeun daya belina. Makan malam bakal masihan sababaraha jenis ganjaran ku meuli leuwih produk atawa mesen leuwih dahareun.\r\n\"Dina hal bisnis, masuk akal pikeun ngajaga kamar mandi beresih sareng katingali modéren, ku kituna para nasabah bakal tetep uih deui,\" saur Dommisse.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6832", "text": "Di SBMPTN 2019, abdi dipasihan dua kasempetan kanggo ngerjakeun tes ujian na. Anu kahiji abdi ujian di Kampus Unpad Jatinangor, anu kadua na di Cimahi. Kanggo ka Cimahi abdi angkat ti Bandung ti jam sapuluh enjing nganggo kareta. Ieu kahiji kali na abdi numpak kareta sorangan ka luar kota, ongkos na ngan lima rebu. Pas dugi di stasion Cimahi abdi langsung ka sakola tempat ujian na ngangge ojek online. Di sakola abdi tiasa sholat dhuha heula. Ujian anu kadua ieu teh waktosna sami jeung Romadon, janten abdi ngerjakeun ujian na sabari puasa. Alhamdulillah hasil ujian anu kadua ieu oge sae, tiasa dipake daptar ka perguruan tinggi negeri.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5115", "text": "Dinten ieu mangrupikeun dinten pengumuman jalur SBMPTN. Pengumumanna dimulai ti jam tilu sore. Aneh da poe ti isuk ka jam tilu teh asa lila pisan, bubuhan diarep-arep. Bari nungguan, Mae beberes heula imah, sasapu buruan jeung sasapu jero imah. Keur sasapu buruan, teu karasa tos adzan ashar, buru-buru we Mae teh mereskeun sasapuna. Geus kitu tuluy nyokot hape jang muka pengumuman. Eta websitena teh error wae, mantak nambahan deg-degan Mae. Tuluy we dicobaan muka eta website ku Mae. Tos hampir satengah jam, Mae tiasa muka pengumumanna, hasilna Mae lolos di Unpad. Alhamdulillah meuni bungah kacida hate Mae, jadi mantak sumanget baranggawe oge. Tos terang katampi, Mae langsung buru-buru mereskeun pagawean, tuluy ngepoan alur-alur daftar ulangna. Duh raut Mae meuni sumringah pisan, kacida atoh sabab di kampungna teu acan aya nu pernah katampi di Unpad.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5222", "text": "Salah sahiji cara jeung ngajauhkeun urang tinu potensi kena PHK teh nyaeta ningkatkeun performa gawe urang di perusahaan. Tah ieu cara teh dianggap nu efektif jang mengurangi potensi urang kena PHK, sabab mun potensi kerja urang dimaksimalkeun mah pasi perusahaan ge ngabutuhkeun pisan. Tah tidinya kamungkinan urang kena PHK teh bakal leuwih leutik. Jadi, komo mun dina usum PHK massal mah sabab perusahaan ngalami kabangkrutan, performa gawe urang teh kudu ditingkatkeun kirana ngaruh kana perusahaan. Tong nepi ka performa urang teh turun, eta bakal ngagedean persentase urang kena PHK. Tah ku kituna hau ah urang coba maksimalkeun performa gawe urang di perusahaan supaya kemungkinan kena PHK na leuwih leutik!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8485", "text": "Loba kolot ngarasa geuleuh nalika meresihan tai orok maranehanana. Utamana kolot anu keur mimiti boga budak. Sanaos tai orok henteu matak pikageuleuheun, janten teu kedah ngaraos jijik kaleuleuwihan nalika ngabersihkeun tai orok anjeun. Kotoran orok mangrupikeun hasil alami tina proses pencernaan orok sareng mangrupikeun indikator kasehatanna. Nanganan sareng ngabersihkeun runtah orok mangrupikeun bagian anu penting pikeun miara orok sareng ngajamin kasehatanana. Ningali tai orok sapertos normal sareng alami bakal ngabantosan ngaminimalkeun parasaan jijik sareng ngabantosan anjeun difokuskeun miara orok anjeun. Pikirkeun mangpaat sareng peran tai orok dina ngajaga orok séhat sareng tingali eta hal anu positip. Ku museurkeun pikiran urang kana fungsi alam jeung mangpaat poop orok, urang bisa mantuan ngaleutikan parasaan geuleuh sarta ngaronjatkeun persepsi eta.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8962", "text": "Cara kalima pikeun ngatasi kasieun sareng kahariwang sateuacan dioperasi nyaéta sare sing cukup. Kasesahan bobo tiasa janten gejala kahariwang sateuacan dioperasi. Pikeun ngalereskeun ieu, cobian robih pola bobo anjeun sababaraha dinten sateuacan hari-H. Mimitian ku sare nu cukup sahenteuna 7 jam sadinten, sareng miceun hal-hal anu tiasa ngaganggu kualitas sare anjeun. Sareng cara terakhir pikeun ngatasi kasieun sateuacan dioperasi nyaéta mikir sacara positif. Hiji hal anu tiasa nyababkeun kahariwang langkung parah nyaéta pikiran négatip ngeunaan kaayaan awak anjeun atanapi panyakit anu anjeun alami, atanapi tiasa ogé aura négatip tina lingkungan di sabudeureun anjeun. Ku alatan éta, salah sahiji cara pikeun ngungkulan kahariwang saméméh operasi nyaéta mikir positif.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "745", "text": "Mun pas keur hujan apek ngaliwatan terowongan, biasana sok loba pemotor nu ngiuhan. Padahal eta teh dilarang, sabab nu ngajadikeun macet. Anu tadina jalan teh bisa dua banjar, jadi hiji banjar lantaran nu hiji banjar teh digunakeun ku pemotor nu ngiuhan. Kabeneran harita urang naek mobil, tuluy digorowokan \"Ulah ngiuhan di terowohan atuh, mikir weh tuh jadina ngamacetkeun\". Tuluy aya pemuda nu ngajawab \"Teu mawa jas hujan kudu ngarti weh\". \"Euh sia mah, matakan mawa jas hujan, mun teu boga meuli, mun euweuh duitna, jual tah motor teh jang meuli jas hujan, ngamacetkeun wae!\" Tembal urang di jero mobil bari kacana dibukakeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2093", "text": "Kuring mimiti nyium leungeun kuring ningali aya bau anu dipikaresep ku ucing atanapi naon, padahal kuring henteu tiasa ngarengsekeun naon waé, kusabab kuring panasaran, akhirna kuring google naon anu nyababkeun éta, kuring ogé sieun naha ucing kuring ngagaduhan kelainan. atawa naon, sabab bari kuring nyekel ucing, abdi pernah meunang eta diletakan, paling ngapurring atawa ngan diteundeun ketat. Sanggeus kuring nga googled, salah sahiji alesan bisa jadi sabab ucing cinta urang jeung salaku wangun nyirian kapamilikan maranéhanana. Abdi bagja pisan sareng dina waktos éta ucing kuring langkung ngeong sareng manja kuring. Anehna rasa ambek amarah langsung ngiles sabab Anabul ieu deukeut kuring jeung lalakonan kawas éta. nah eta ngajadikeun salah sahiji pangalaman nu paling mecakeun jang kuring ker ingetan ka si ucing.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "328", "text": "Kagagalan nu urang alaman bisa wae mangrupakeun pituduh ngameh teu milih jalan anu salah. Meureunan ti mimiti teu ngarasa nyaman ku kagagalan eta, tapi di akhir bisa wae urang malah bersyukur ku kagagalan nu dialaman. Misal gagal dina asup Universitas nu diimpikeun atawa gagal wawancara pas penerimaan pagawe. Pasti aya nu bajoang deui jang meunangkeun nu dipikahayangna, aya oge nu berusaha jang ngarobah nasib ku cara ngalamar di perusahaan nu beda atawa jenis usahana nu beda sabab bisa jadi perusahaan nu saacanna meureunan teu cocok jang kahareupna. Tetep sumanget jang berusaha, lamun perlu kudu ngalakukeun introspeksi diri naha bet bisa gagal jeung aya usaha jang ngomean kagagalan jang kahareupna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3409", "text": "Abdi henteu gaduh kenalan anu kelptomaniacs tapi aya kajadian anu lumayan lucu. Abdi damel di perusahaan ritel sareng 90% palanggan di toko urang asing. Tos lami toko urang didatangan ku jalma anu kleptomania.\r\n\r\nÉta mangrupikeun aturan dimana urang damel yén sadaya karyawan di daérah toko kedah ngawaskeun sagala kajadian anu lumangsung. Aya palanggan awéwé ngora pisan anu asup ka toko kami sareng mimitina teu aya anu curiga. Sanggeus sababaraha menit leumpang sabudeureun, awéwé éta ujug-ujug nyandak hiji hal teras nahan kana saku. Anjeunna memang maké baju anu rada gedé dibandingkeun dedeganana. Karyawan anu nempo ieu langsung ngalaporkeun ka kaamanan on tugas.\r\n\r\nAwéwé éta deui nyandak sababaraha barang sareng nempatkeun kana bajuna. Waktu satpam rek nyampeurkeun jeung teguran, ujug-ujug aya wanoja patengahan ngadeukeutan jeung menta kerjasama ti pihak urang supaya ulah ngageuing awewe nu nyokot barang di toko urang. Lajeng anjeunna ngawartoskeun kuring yén awéwé éta nalangsara ti kleptomia sarta yén kulawarga husus hired batur pikeun lalajo dimana wae anak maranéhanana indit. Awéwé éta ménta kami pikeun ngarékam barang-barang anu dicandak sareng anjeunna bakal mayar saatos anak dununganna kaluar ti toko kami.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6251", "text": "Basa nuju ngalongok wargi anu nembe lahiran, abdi indit sorangan ka imahna. Lahiran na mah tos salila dua minggu, tapi abdi nembe aya waktos jang ngalongok. Orokna teh mangrupakeun anak pertama jeung deuih alhamdulillah putra. Orokna teh lucu pisan, sabab sok diposting dina whatsapp ku indungna. Bageur pisan orok na teh tara rewel nangis wae. Abdi nyobian bade mangku orokna. Pas dipangku, nembe ge ditepok-tepok, eh orokna tos olab kana tiung abdi. Abdi ngarasa kesel pisan sabab kaolaban, jeung deuih bau orok. Tapi teu nanaon, itung-itung salam perkenalan we kanggo abdi. Mudah-mudahan we orokna sing bageur jeung berkembang kalayan hade.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2627", "text": "Ampir sarua jeung kasus di luhur, sarta kuring lumangsung dina tugas di hareup, tamu ieu teu hayang pariksa kaluar. Kuring henteu weruh naha hal kawas kieu lumangsung deui jeung deui. Meureun kusabab kuring aya, jadi tamu betah cicing di dieu ... batuk.. batuk ...\nJanten, tamu ieu ngan ukur 1 wengi. Isukna, sabab meureun aya program anu teu acan réngsé, anjeunna bakal nambahan deui (manjangan). Kusabab kamar masih sadia, enya urang bisa nampung pamundut. Isukna, diperpanjang deui 1 peuting. Geus 3 peuting total. Isukna, kamarna kabeneran béak lantaran aya rombongan anu mesen sagala rupa kamar. Sareng isukna, tamu ieu diperpanjang deui (tanpa béja sateuacanna, ujug-ujug sapertos kamari). Sumuhun, tangtosna, ceuk kuring lamun dinten ieu anjeun teu bisa manjangkeun eta. Kedah pariksa kaluar. Anjeun terang réaksina? Wieiih ....... Kuring langsung ngajerit sareng nada anu henteu dilakukeun deui. \"Anjeun teu terang saha abdi hah?!!!\" , \"Teu hayang nyaho!!!! Pokna mah rek manjangan poe !!! tamuna kudu indit!!! Kuring ngan cicing wae harita mah, ngadenge heula ocehanna", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "203", "text": "Asup ka kamar urang, nyaeta D.II.4 kamarna lumayan lega tibatan kamar urang di imah mah. aya 2 kasur jeung hiji lomari warna hideung. Aya dapur oge jang masak, tuluy kamar mandi aya 2, nu hiji mah jang BAB, nu hiji deui dipake jang kaperluan mandi atawa nyeuseuh baju. Ti dapur teh geus katinggali tina jendela suasana di luar asrama, buruanna lega jeung dipinuhan ku jukut-jukut nu harejo. Jendelana teh euweuh kacaan, jadi dihalangan ku teralis tinu beusi anu geus karatan. Sabenerna kamar jeung dapur teh misah, cuman di halangan ku panto anu digeser. Harita urang diuk dina kasur bari rada ngalamun, sabab bakal papisah jeung kolot. Tapi di sisi lain urang oge bungah, sabab bisa katarima di paguron luhur ngajadikeun urang kudu diajar mandiri.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7500", "text": "Geus saminggon ieu rerencangan abdi teu asup ka sakola, ceunah mah manehna gering matak abdi nyamperkeun manehna ka imahna, tapi pas abdi tos dugi di hareupeun imahna manehna kalahkah cicing di kamarna, saur mamahna mah murangkalihna teh tos sababaraha poe ieu teu dahar jeung teu ngomong nanaon, manehna ngan cicing hungkul. Pas abdi nyobi ngetrok panto kamarna manehna teu daek muka panto tuluy abdi nitah manehna nuliskeun naon anu manehna rasakeun. Abdi teu nyangka manehna nyaritakeun dina suratna yen manehna salila ieu diganggu ku rerencanganna lamun balik sakola. Manehna teu carita ka sasaha lantaran sieun bisi beuki diganggu ku rerencanganna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2995", "text": "Aya seueur alesan, nalika kuring nyalira dina kaayaan anu tangtu sareng di tempat anu tangtu, nyalira pisan henteu pikaresepeun, khususna nalika panik mimiti nyerang sareng nalika kuring ciwit sering nyababkeun panik langkung parah. Butuh batur ngan ngomong \"jadi kumaha alus éta?\" najan teu katulungan, sakurang-kurangna aya rasa kabagéan sangkan kabeungbeuratan teu karasa sorangan. Sabenerna, pikeun hirup normal, kuring teu sieun sorangan, tapi sieun sorangan. kawas nalika kuring kaluar. Adzan Magrib disada bari buka puasa di wewengkon luar mall. Bérés dahar, kuring solat Maghrib. Sanggeus éta, kira-kira jam 19 tuluy balik deui ka mall. Kumaha reuwas kami.. atmosfir di mall geus robah leuwih sepi. Anu rame ku jalma-jalma tadi soré, ujug-ujug geus sepi, ngan para padagang anu ngabereskeun daganganana jeung nutup kiosna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8420", "text": "Ayana jamban mangrupa salah sahiji hal anu paling penting nalika aya dina wangunan atawa tempat. Seueur jalma peryogi jamban dina waktos anu darurat. Kabutuhan ieu nyababkeun seueur jamban umum anu tiasa dianggo ku jalma gratis. Tapi hanjakalna ieu toilet umum gratis henteu dijaga sareng kotor. Jalma bisa ngarasa geuleuh lamun ngagunakeun toilet ieu. Urang tiasa ngabayangkeun naon anu dilakukeun ku jalma-jalma sanes dina jamban ieu ngajantenkeun jamban kotor sareng geuleuh. Jalma sieun noel hiji hal sabab sieun noel kokotor atawa kakeunaan kuman jeung bakteri anu asalna tina kokotor eta. Malah jalma-jalma anu ningali jamban anu kotor jeung geuleuh bisa utah lamun henteu tahan kana jamban umum anu awut-awutan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5178", "text": "Presasi atawa panghargaan teh jadi salah sahiji cita-cita unggal jalma. Hal ieu sabab bisa nunjukeun kamampuan jeung kaberhasilan hiji jalma. Prestasi teh penting pisan jang bukti bahwa seseorang eta teh mampu ngalaksanakeun nu tebaik atawa mampu ngaraih naon nu ku manehna pikahayang. Setiap jalma pasti bakal ngarasa bangga pisan lamun berhasil ngukir prestasi atawa meunang penghargaan. Hal ieu wajar, sabab teu kabeh jelema bisa ngarasakeun nana. Tapi, tong nepi ka ngajadikeun sombong, da unggal jelema teh boga kamampuan nu beda-beda, jadi prestasi nu bakal diraih na ge beda, moal bisa disaruakeun. Ku kituna, sebagai makhluk sosial, urang kudu saling dukung jeung nu sejenna, supaya elmu urang leuwih mangpaat.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2562", "text": "Upami anjeun kantos janten korban selingkuhan, anjeun terang émosi anu campur aduk tina éta. Sababaraha émosi bisa diprediksi, kayaning amarah, panik, sedih, jeung sajabana. Tapi aya sababaraha émosi anu teu disangka-sangka ogé akibat tina hiji selingkuhan. Aya naon? Di handap ieu pedaran, sakumaha dilaporkeun\n1. éra\nSarerea pasti ngarasa ambek lamun maranéhna terang dikhianati. Tapi naha éra bisa timbul? Éra timbul salaku hasil tina rasa dihina jeung diremehkeun, saolah-olah urusan lumangsung ngaliwatan kasalahan korban sorangan. Padahal anu kuduna ngarasa éra nyaéta jalma anu keur salingkuh, nya? Tapi sababaraha urang mimitian ningali kana diri tur tingal lamun aya lepat sareng aranjeunna nalika pasangan maranéhanana salingkuhan on aranjeunna, maranéhna bisa manggihan lepat sorangan pikeun ngajelaskeun naha pasangan maranéhanana geus selingkuhan. Ieu naon lajeng nimbulkeun éra.\n2. Kekosongan\nPerasaan hanjelu mangrupikeun réspon alami nalika anjeun terang pasangan anjeun gaduh selingkuhan. Tapi teu saeutik jalma nu ngarasa kosong, teu boga emosi nanaon. Hiji bisa jadi reuwas pikeun manggihan yén nalika maranéhanana kasampak di jero diri maranéhna teu manggihan emosi, euweuh emptiness. Kekosongan mangrupikeun salah sahiji mékanisme psikologis anu dianggo ku manusa nalika ngalaman shock atanapi trauma. Dina sababaraha cara, kekosongan ieu ngajaga otak sareng pikiran.\n\n", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8959", "text": "Harita adi kuring pernah dioperasi kusabab usus buntu. Sabab manehna resep pisan kana kadaharan anu lada sarta kadangkala tingkat ladana ngaleuwihan wates anu wajar. Kusabab eta manehna kudu dioperasi pikeun usus buntuna leungit. Nalika manehna badé dioperasi, abdi ngiringan adi sareng indung sareng bapa ka rumah sakit. Katingali tina raray adi urang manehna sieun pisan dioperasi, gerakanna anu teu biasa nunjukkeun yén anjeunna tegang ku maén jari leungeunna, sareng nalika kuring nyepeng leungeun sareng sukuna karasa tiis. Sarta kuring ngupaya nenangkeun anjeunna ku nyepengan kana leungeunna jeung nenangkeun anjeunna yén anjeunna bakal teu kunanaon. Nepi ka waktuna dibawa ka kamar operasi kuring ngan bisa ngadoakeun kalancaran operasi, ntungna operasi lumangsung ogé.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8429", "text": "Tetempoan runtah sato teh bisa memicu parasaan geuleuh sarta ngarareunah di sababaraha urang. Bau sareng penampilan runtah sasatoan tiasa nyababkeun rasa anu teu sehat sareng ngajantenkeun jalma henteu ngarareunah. Ieu teh biasana disababkeun ku sieun kaserang panyakit anu tiasa dikandung dina tai sato. Geuleuh oge tiasa asalna tina bau anu teu pikaresepeun sareng penampilan anu henteu estetis. Dina kaayaan sapertos kieu, penting pikeun ngajaga jarak sareng ngagem alat pelindung sapertos masker sareng sarung tangan upami perlu mindahkeun atanapi ngabersihan runtah sato. Sababaraha urang tiasa gaduh tingkat sensitipitas anu langkung luhur kana bau sareng penampilan runtah sato, anu matak ngaganggu aranjeunna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8543", "text": "Geus lila Sarah teu panggih jeung babaturanana ti SMA. Aranjeunna ngumpul pikeun reuni sarta Sarah bungah ningali aranjeunna deui sanggeus sababaraha taun teu ningali silih. Tapi, harepanna pupus dina sakedapan. Bari diuk di meja makan, salah saurang baturna nyarita, \"Wah, naha bau kitu?\" Sadayana tos ka Sarah sareng anjeunna ngarasa era sareng depresi. Langsung nangtung tuluy lumpat ka wc mariksa bau awakna. Sanggeus ngambeu bau leungeunna, manehna ngarasa era pisan. Tetela, manehna poho make deodorant jeung kaambeu ku babaturanana bau awakna goreng. Sarah era pisan sareng ngarasa goreng pikeun balik deui ka meja tuangeun. Anjeunna panginten babaturanana kedah nyarioskeun masalah bau awakna sareng anjeunna ngarasa harga diri rendah pisan. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "782", "text": "Hiji poe dibere tugas di guru jang nyieun aransemen musik. Tugas ieu sacara kelompok, anu sakelompokna teh ngan aya 5-an. Dibere waktu saminggu jang ngaaransemen musik, jadi urang jeung babaturan ngamimitian nyieun aransemenna. Masing-masing jelema geus mibogaan tugasna, aya nu nyepengan alat musik, aya oge anu bagian nyanyina pas praktek dihareupeun guru. Aya salah sahiji ti kelompok teh nu euweuh gawe, manehna pindah ka kelompok batur. Tapi nu teu disangka mah, hasil aransemen musik nu geus arurang jieun teh ku manehna dicokot ide na tuluy diplagiat, anu hasilna pas praktek hareupeun guru teh nada aransemenna sarua. Urang nu teu narima tuluy ngajelaskeun ka guru, supaya maranehna nyieun anu anyar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5659", "text": "Kamacetan nu terjadi di kota-kota besar jiga Jakarta, Bandung, Surabaya, jeung sajabana, saolah jadi salah sahiji ciri khas kota besar. Lobana jumlah nu ngarantau jeung gawe di kota-kota besar ngajadikeun mobilitas pendudukna ge tinggi, jeung populasina loba. Jadi, dina waktu sapopoe teh pasti we amprok jeung nu ngaranna macet, komo mun tempo indit jeung balik gawe mah. Sabab geus jadi kabiasaan, kamacetan teh geus teu jadi deui hal nu mantak ambek, malah saling leuwih sabar dina berkendara na. Acan deui macetna teh mun lila sabab aya lampu merah, makin we manjang pisan katukang. Kamacetan isuk jeunh sore teh saolah jadi hiasan tina kagiatan sapopoe.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "254", "text": "Hal nu paling ngabungahkeun nyaeta boga kolot nu teu mikirkeun dirina sorangan tapi mikirkeun oge kabungahan anakna. Kolot nu ngadukung urang di mana wae atawa kumaha wae kaayaan urang sanajan anjeunna oge kuciwa tapi anjeunna ngan mere nasihat sangkan teu ngalakukeun kasalahan anu sarua deui jeung kudu bener-bener dina ngalakukeun hiji hal ulah nepikeun ka ngarugikeun diri sorangan, komo deui ngarugikeun batur mah. Tuluy boga lanceuk jeung adi nu ngadukung jalan nu ku urang pilih. Rek jadi naon wae urang asal urang bungah ngajalankeunna. Jeung nu penting ngadoakeun urang di jalan anu pangalusna. Sakapeung lanceuk urang nu sok ngabantuan finansial urang sabab manehna ngarti naon pangabutuh urang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5294", "text": "Basa Nana kelas tilu SD, Nana seneng pisan sabab mamah ti Arab bade uih dinten ayeuna. Nana buru-buru h ti sakola teh langsung lumpat ka bumi da teu sabar pendak jeung mamah. Enya we dugi ka bumi teh mamah tos nyampak di lebet bumi. Nana sosonoan jeung mamahna, da tos dua taun teu pependak. Dugi ka wengi Nana teu kamana-mana pisan, dugi ka bobona. Ngan enjing-enjing gugah bobo teh Nana teu ningali mamah, duka kamana. Aya bapak ge teu ngajawab mamah kamana. Singhoreng mah mamah teh tadi wengi di ceraikeun pisan ku pun bapak. Teu lila nungguan, peuting keneh mamah ninggalkeun Nana ka imah raina. Ti saprak harita, mamah datang ka bumi ngan bade nyandak pakean hungkul. Mamah ti harita teu babarengan deui jeung Nana. Nana ngarasa sedih pisan, kecewa, ambek, tapi teu bisa kukumaha. Ngan bisa ngadoakeun mamahna sing sehat jeung dikuatkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "784", "text": "Manggihan mun karya tulisan urang geus dicokot jeung dipublikasikeun ku babaturan tanpa izin jeung persetujuan. Jadi urang nyokot tindakan hukum jang nangtayungan hak cipta. Lantaran hak cipta mangrupakeun hak hukum jeung dilindungi ku undang-undang. Urang mibogaan hak nu dijamin ku undang-undang jang mertahankeun hak cipta karya sorangan, jeung mun hak cipta urang dilanggar, maka urang mibogaan hak jang nungtut sacara hukum. Karya eta mangrupakeun aset nu miboga nilai finansial, jeung mun dicokot tanpa izin atawa kompensasi anu adil, maka urang kaleungitan potensi kauntungan tina karya eta. Hal ieu ngarugikeun urang sacara finansial jeung oge bisa ngurangan motivasi urang jang nyieun deui karya anu leuwih alus jeung mangpaat jang masarakat.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5987", "text": "Ti zaman sakola keneh teh abdi emang teu pernah bisa ngojay jiga batur. Paling ge abdi mah ngan kukucuprukan hungkul atawa renang gaya seluncur hungkul. Tah, pas kunjungan ka tempat wisata curug Cileat teh abdi nyobian guyang ojay-ojayan sina kubangan caina. Caina tiris pisan kacida, alabatan cai es. Abdi nyobian luncat ti batu nu jangkungna lima meter. Pas keuna kana cai, abdi lila pisan teu ngambul ka luhur. Abdi geus sasah sabab geus hese pisan nyokot napas. Untungna kaburu aya babaturan abdi nu mangnyahokeun, tuluu we ditulungan ku petugas kaamanan satempat. Untungna masih keneh nyawaan, masih bisa nganikmati kahirupan nu fana ieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8158", "text": "Aya hiji kajadian nu kantos ngahebohkeun kampung rambutan. Kajadianna nyaeta parampokan imah Pak RT. Nu nyieun heboh teh kusabab imahna bener-bener beak dirampok. Saawaktos dirampok imahna teh ngan ditempatan ku Ai hungkul, nyaeta pembantu rumah tanggana Pak RT. Seueur nu naroskeun kunaon Ai teu ngagorowok menta tulung ka tatangga. Ai teu tiasa ngagorowok menta tulung kusabab manehna ditodong ku parakas seukeut sapertos bedog. Manehna sieun upami ngagorowok bakal dibunuh atanapi dikumaha-kumaha ku parampokna. Ai ngan tiasa pasrah sareng ceurik susunggukan kusabab teu walakaya imah Pak RT nu gedong dirampok nika beakna. Untungna Pak RT ngartos kaayaan Ai janten tos ngamaklumkeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7589", "text": "Tos saminggon ieu aya hiji awewe anu dituturkeun ku lalaki. Unggal balik gawe manehna pasti ngarasa sieun lantaran pasti bakal dituturkeun. Teu di sisi jalan, teu di beus oge angger we dituturkeun. Manehna sabenerna teu nyaman, tapi lamun manehna nunjukkeun yen manehna teu nyaman pasti bakal ngabahayakeun manehna, janten awewe ieu bobodoan teu nyadar lamun dituturkeun, tapi hiji poe lalaki anu nuturkeun eta beuki ngadekeutan, lantaran geus sieun pisan tungtungna awewe ieu langsung melok ka taman, nyamperkeun sakumpulan barudak anu keur ngempel, api-api kenal ka maranehna sabari ngaharewos ka hiji jalmi yen abdi dituturkeun ku hiji lalaki tapi sabari api-api seuseurian meh teu kanyahoan ku lalaki eta. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9026", "text": "Cara anu kaopat anu kedah urang laksanakeun nalika ngalaman gagal rem, nyaéta ngajaga suku anjeun tina pedal gas. Saloba mungkin jauhkeun suku anjeun tina pedal gas. Ieu teu bener-bener jauh, tapi ulah pencét suku anjeun panjang teuing dina gas lamun henteu, kajadian anu teu dihoyongkeun bakal kajadian. Kalima, pariksa objék nu ngahalangan pedal rem. Kusabab obyék anu anjeun pasang dina korsi tiasa maju kusabab inersia ngerem sareng ngahalangan pedal rem ti tukangeun. Kagenep, nyaéta napak jeung ngoyagkeun rem sababaraha kali. Husus pikeun kandaraan tanpa sistem rem ABS, coba injak dina pedal rem sababaraha kali. Nu katingali, kadang gagal marake ogé samentara. Upami mobil nganggo ABS kedah naék rem lalaunan sabab ABS ogé ngabantosan anjeun ngalakukeun tindakan ngerem otomatis.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7009", "text": "Ieu mangrupakeun bulan kadua kanggo abdi cicing di negara batur. Rasana sedih pisan lantaran biasana abdi ungal poe dahar sarapan, dahar siang-siang jeung dahar wengi-wengi pasti sareng mamah jeung bapa sasarengan, pokona mah baheula teu aya nu meunang dahar lamun can lengkap di meja dahar. Ayeuna sadaya kulawargi di bumi dahar tanpa nungguan kuring lantaran waktosna benten jauh pisan, lamun di Indonesia tos waktosna emam siang, di abdi mah masih keneh tengah peuting, waktosna kanggo abdi istirahat. Kadang-kadang abdi sok nelepon sabari pidio jeung mamah bapa, tapi ngan sakedap lantaran di tempat abdi mah tos wengi, janten teu meuang ngagandengan batur.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4286", "text": "Ayeuna di indonesia sigana keur jaman jeung trend pisan pilem horor loba pilem horor anu di jieun jeung bakal di tayangkeun atawa keur di tayangkeun di bioskop saperti aya bayi ajaib, mangkujiwo 2, hidayah, anak titipan setan jeung sajabana loba pisan pokona. Sabenerna rada teu nagrti ka panikmat pilem di indonesia sih, maranehna sieunan lamun nongton oge sok rareuwas bari ngajerit lamun keur nongton, tapi nya loba wae anu nongton, loba nu panasaran tapi oge sieunan jadi pilem jurig horor teh nya payu wae. Eta anu ngajieun indonesia loba ngajieun pilem horor, padahal biasana lamun geus balik nongton anu kitu urang sok ngabayangkeun jadi sieunan jeung babari reuwas.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5988", "text": "Bagi sabagean jalmi, ngojay teh jadi salah sahiji kagiatan anu dihindari pisan sabab resikona. Mun teu bisa ngojay teh resiko tilelepna gede, jadi bakal dihindari ku jalmi nu teu barisa ngojay. Komo mun budak leutik nu teu bisa ngojay terus teu diawasi mah, bakal riskan pisan. Ayeuna loba kasus anak tenggelam saat bermain sabab teu ditalingakeun ku kolotna. Hal-hal nu kieu teh sanes kadangu sakali dua kali, tapi sering pisan. Resiko tilelep ge ngajadikeun loba jalmi mikir dua kali dina diajar renang na ge. Malahan mah teu saeutik kolot nu teu ngawidian anakna maen olahraga renang sabab nya sieun tilelep tea. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6327", "text": "Loba jalma anu hoream pisan mun ngadahar jambu batu teh. Komo mun usum hujan mah, sabab sok loba bilatungan di jero na teh. Mun jambu batuna geus asak semu beureum ge sok loba bilatung nu asup ka jerona teh. Jeung deuih bilatungna leutik pisan jeung herang, jadi saru jeung siki jambu nu warnana kayas. Pernah malahan mah keur digegel, eh aya nu utek-utekan dina baham, pas dilepehkeun teh nyaeta geuningan aya bilatungan pinuh dina siki jambuna. Sok kesel pisan, keur hayang ngadahar jambu teh kalahka loba bilatungan, jadi we teu bisa didahar, lebar. Mantak kudu ditingalian heula samemeh ngaemam jambu batu teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2920", "text": "Seuseueurna pasien anu sieun dioperasi bakal milarian jalan ninja anu sanés sapertos dunya jamu atanapi dukun. Mayar jutaan kadang nepi ka puluhan. Ku ayana racikan ieu sareng éta, sabar henteu terang naon bahan sareng eusina, ngan ukur percanten, dasarna berbekal panyaksian jalma sanés, kami henteu terang naha éta setting atanapi henteu. Tungtungna naon anu lumangsung janten parah. Kakara sadar tuluy balik deui ka rumah sakit kalayan kaayaan anu nambahan duh kitu.\r\nSieun bedah téh manusiawi, hanjakalna teu aya anu sumanget jeung hobi bedah. Tapi perlu dipikanyaho yén hirup téh ngeunaan pilihan. Tina rupa-rupa pilihan anu anjeun badé lakukeun, diajar tina pangalaman pait jalma-jalma saméméhna tiasa nyegah anjeun ngalaman pangalaman pait anu sami. Candak kartu BPJS anjeun sareng ngalawan kasieun anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8248", "text": "Si Dita teh taun kamari dongkap ka Walanda kusabab menang beasiswa pendidikan ti Kementerian Pendidikan, Budaya, Riset dan Teknologi. Beasiswana ieu ngalumangsung salila dua samester, janten salila kirang langkung satahun Dita cicing di Walanda tebih ti kolot tur kulawargina. Tetela cicing di nagara batur teh teu geunah kusabab suasanana benten sareng di kampung halaman. Nanaon teh sagala asing di kampung batur mah. Dita mimiti dongkap ka Walanda langsung hariwang kusabab bingung bade nanaon tur jalma na teu saromeah sapertos di Indonesia janten Dita teh sok sieun upami aya di tempat nu teu manehna nyahoan sieun ka sasar atanapi di kukumaha ku jalma.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4666", "text": "Basa SMP urang perdana di sitah miluan rampak sekar di acara tahunan, nyaeta acara seni budaya anu sok aya di akhir tahun ngarana \"Pagelaran\". Urang jelemana eraan tapi ku sabab rada di paksa ku babaturan jadi weh urg miluan. Unggal poe tas balik sakola urang latihan, mimiti latihan mah awak teh paregel tapi kadituna mah jadi kabiasaan geus teu nyeri deui. Tarianna rada hese terus musikna teu di pika reseo ku urang, soalna rada asing. Tapi urang geus apal sabagean gerakana, tinggal rasa kawani anu can aya teh. Pas rek deket ka hari H acara, urang jeung babaturan gladi heula di panggung, padahal mah sepi eweh sasaha, tapi urang geus kesang badag. Pas acarana du gelar, can ge naek ka panggung urg geus lieur, kesangan, jeung ngadegdeg. Di bere weh teh manis ku panitia acarana, nepika pakean jang nari mu ku urg pake di logoran saeutik meh teu sesak napas. Pas geus di panggung, urg bisa nari nepika akhir, tapi urang cuma bisa tungkul da era nempo jelema jeung dewan juri mani loba. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5538", "text": "Sakabeh jalma pasti hayang kasehatan dina awakna, alim nepi ka gaduh panyakit, komo panyakit nu beurat mah. Tapi, biasana sok loba nu poho dina ngajaga pola makan jeung tuangeun nu diemamna. Padahal eta teh hal nu ngondang datangna rupa-rupa panyawat. Komo pola hirup nu teu sehat mah, tuangeun teu dijaga, tara olahraga, jeung tara nuang bungbuahan atawa sayuran. Eta jadi pemicu utama pisan datangna panyakit beurat. Kudu na mah leuwih bisa waspada jeung nyaah kana awak sorangan ku ngajaga tuangeun nu asup kana awak urang, oge ngajaga kasehatan ku olahraga. Tong nepi ka geus karasa panyakit karek nerapkeun hirup sehat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2506", "text": "Pertama kali kuring manggihan yén kuring hamil ku triplets. Tentuna kuring kaget. Jeung geus kadéngé keteg jajantungna. Perasaan anu pasti mimiti muncul nyaéta kaget, bungah, sareng sieun,\" tulis Indung Putri dina unggah videona. Indung Putri harita ngarasa bingung lantaran kudu nyaritakeun pangalaman nu munggaran ieu ka kolotna. Sanggeus bébéja ka indungna, Ibu Putri dijurung sangkan kakandungan kembarna tetep rahasia. Indung Putri ogé ngajaga kakandungan triplét na sangkan teu aya nu pangdeukeutna bakal salempang teuing ngeunaan kandungan nya. \"Saatos bébéja ka indung kuring, indung kuring nyarios yén kuring tetep ngajaga dugi ka teu aya anu terang kecuali kulawarga salaki kuring sareng hiji bibi,\" nyeratna. ngeunaan kakandungan kuring,\" tambah Indung Putri dina unggahna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5632", "text": "Body shaming teh mangrupakeun salah sahiji hal nu kudu pisan dihindari sabab efekna bakal goreng pisan kanu ngawakan nana. Kabeh manusa diciptakeun ku Allah dalam sabaik-baikna bentuk, jadi teu kudu dihina deui kaayaan nana. Komo mun body shaming ka batur mah, bisa ngalukai pisan kana hatena. Efek body shaming teh tong dianggap sapele, sabab paling parah bisa nyieun sasaorang jadi stress jeung depresi. Kaayaan fisik teh kaayaan nu teu bisa ditawar deui, jeung deuih kabeh rupa jalma mah emang geus geulis jeung kasep masing-masing, teu kudu dibanding-bandingkeun. Yuk urang jaga perasaan batur ku tonh nepi ngalakukeun body shaming ka batur!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8539", "text": "Geus sababaraha bulan Sarah meuli boneka permata nu dipikacinta pisan. Boneka eta mangrupikeun kado ulang taun ti kolotna sareng mangrupikeun kenang-kenangan anu berharga pikeun anjeunna. Sarah ati-ati pisan dina miara eta boneka, sareng salawasna mastikeun yen eta aya dina tempat anu aman sareng rapih. Hiji poe, waktu Sarah keur ulin jeung babaturanana, boneka eta murag sarta menyakiti manehna. Sarah ngarasa hanjelu jeung ngarasa salah lantaran ngancurkeun hiji hal anu kacida hargana keur dirina. Manehna ngarasa era nembongkeun eta boneka ka batur, sarta teu boga kawani pikeun menta tulung pikeun ngalereskeunana. Tapi Sarah mutuskeun ngobrol jeung indungna sarta nembongkeun dirina boneka tatu. Indung Sarah bageur pisan sareng ngabantosan Sarah ngalereskeun eta. Sanggeus sababaraha poe, boneka eta kawas anyar deui jeung Sarah pisan senang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6816", "text": "Abdi ngarasa bangga tiasa ditarima di universitas negeri, lantaran aya seeur pisan kasempetan anu tiasa dirasakeun salaku mahasiswa di universitas negeri anu aya dihandap Kemendikbud. Salah sahiji na nyaeta tiasa ngarasakeun program Kampus Merdeka anu diselenggarakeun ku Kemendikbud. Abdi ngarasa penting pisan miluan kagiatan magang, lantaran di jurusan abdi mah teu diwajibkeun magang di perusahaan. Tapi abdi ngarasa butuh magang supados tiasa ngaaplikasikeun ilmu anu tos diajarkeun ku dosen di kampus jeung patalian na di tempat gawe. Kampus merdeka oge masihan konversi SKS jeung sertifikat. Janten abdi teu kedah miluan kuliah deui, tinggal fokus we di tempat magang supados tiasa meunang nilai anu sae.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "606", "text": "Nu kudu dilakukeun pas reuwas ninggali jurig. Nu kahiji menta panangtayungan ka Allah SWT, jadi pas ninggali jurig alusna geura-geura ngadoa sabari menta panangtayungan ka Allah. Ku ngadoa, urang mibogaan kawani jeung nyieun pikiran jadi teu sieun pas ninggali jurig. Nu kadua kudu tetep berusaha tenang, Salian ti wani, pas ninggali jurig oge kudu tetep tenang ulah panik, jadi apal naon nu kudu dilakukeun. Nu katilu nguatkeun mental, sanajan reuwas tapi urang oge kudu nguatkeun mental tapina ulah kaleuleuwihi. Nu terakhir tangtuna maca doa, hal ieu kudu dilakukeun sabab ku doa, urang bakal dibere panyalindungan ku Allah SWT. Jadi alusna urang ngapalkeun doa atawa ayat-ayat Al-Quran ngameh pas ninggali jurig teu ngarasa reuwas jeung sieun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1393", "text": "Basa keur jaman KKL (kuliah kerja lapangan) biasana sok aya dosen nu nyarengan ka kampung-kampung nu geus dituju. Salila KKL, urang mahasiswa teh pada masak sorangan, kitu oge nyadiakeun ka dosen nu nyarengan urang salila KKL. Di hiji waktu pas waktuna dahar nyaeta sore, loba mahasiswa anu hareureuy, tungtungna mah sangu nu geus disadiakeun jang dosen teh katincak ku salah sahiji suku mahasiswa nu keur hareureuy eta. Euweuh nu wani ngabejaan dosen eta yen sanguna geus kaleyek. Akhirna mah pas ninggali dosen eta ngahuapkeun sangu, urang ngarasa geuleuh jeung dahar ge jadi teu mirasa soalna ngabayangkeun kumaha posisi urang mun ngadahar eta sangu bari jeung apal kajadianna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8161", "text": "Jalma sieun ditodong ku pakarang sabab pakarang boga potensi ngabalukarkeun ngarugikeun fisik pisan serius atawa malah fatal. Pakarang oge sering dipatalikeun sareng kajahatan, kekerasan sareng tindakan kriminal, ku kituna ayana pakarang dina kaayaan naon waé tiasa nyababkeun kasieun sareng hariwang. Sajaba ti eta, sieun ditodong ku pakarang oge bisa disababkeun ku parasaan teu walakaya atawa ngarasa yen anjeun teu boga kontrol kana kaayaan anu lumangsung. Jalma bisa ngarasa yen hirup atawa kaamanan maranehanana gumantung kana kaputusan jalma nyekel bedil. Sajaba ti eta, media oge mindeng mintonkeun warta ngeunaan nembak massal, perampokan, atawa aksi terorisme ngalibetkeun pakarang. Ieu bisa nguatkeun sieun jeung kahariwang masarakat ngeunaan pakarang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8234", "text": "Malik teh boga budak nu yuswana karak 6 taun. Budakna teh manja pisan ka kolotna, hoyong ngingintil kamana wae kolotna indit. Kusabab budakna si Malik rek asup ka sakola SD, manehna ngajarkeun budakna ka cai jeung sare sorangan. Tetela ngajarkeun kabiasaan ieu teh hese pisan kusabab budakna Malik ieu teh borangan kabina-bina. Mimiti budakna Malik dianter ka cai tur sare sabari diomongan ari kunaon kudu nanaon sorangan. Budakna tos ngartos upami diomongan mah, nanging sawaktos praktekna budakna sok ceurik wae. Upami ditaros teh budakna ngawales upami manehna sieun sorangan. Malik mawa budakna ka dokter anak kusabab sieun ieu teh janten masalah serius.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2221", "text": "Salah sahiji cara jang ngaliwatan prosés anu cukup panjang pikeun narima putus. Aya sababaraha hal anu anjeun kedah terang supados prosés ieu henteu kedah nyered, sareng ku kituna kasedih moal ngantep anjeun turun. Dina kasempetan ieu, Riliv bakal nulungan anjeun nungkulan separation nu\n1. Tangis lantaran pipisahan téh lumrah\nWajar upami anjeun ngarasa sedih nalika anjeun kedah pisah sareng kaleungitan jalma anu dipikanyaah ku urang. Ulah nyumputkeun kasedih. Ceurik, kaluarkeun sagala rasa dina dada. Upami anjeun peryogi waktos nyalira, wartosan anu pangdeukeutna ka anjeun. \n2. Coba inget-inget: najan papisah, teu nyorangan\nAnjeun masih gaduh kulawarga sareng babaturan anu siap janten tempat anu condong anjeun. Maranéhna jalma-jalma nu léah ningali manéh leyur dina kasedih. Maranehna nu hayang ngabahagiakeun maneh, ngabuktikeun ka maneh yen masih aya harepan. Dikurilingan ku jalma anu paduli ka anjeun bakal ngajantenkeun anjeun langkung nyaman sareng langkung kuat.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "646", "text": "Bandara teh lega pisan, sakapeung mah leumpang ti tempat asup nepikeun ka tempat maskapai urang indit teh ngabutuhkeun waktu nu leuwih loba, sahenteuna minimal 15 menit. Lamun katinggaleun pesawat usahakeun tetep tenang sanajan dina kaayaan reuwas, soalna meh berpikir jernih. Tuluy bisa kontak costumer service jeung jelaskeun masalahna naon. Mun mimiti naek pesawat, ulah era jang tunya-tanya boh eta ka petugas keamanan atawa petugas khusus service center. Mun bisa di jadwalkeun ulang alus, tapi mun teu bisa mah bisa meuli tiket pesawat deui, mun hayang murah mah meulina nu biayana murah. Mun misal teu bisa di jadwal ulang jeung euweuh pesawat nu berangkat di poe nu sarua, nya wayahna weh naek transportasi nu sejen.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9592", "text": "Dina sahiji poe aya salah sihiji siswa anu cita-citana hayang jadi dokter gigi. Di tahun pertama salulus SMA, manehna can direzekian jang lolos di jurusan eta. Kusabab hayangna asup ka perguruan tinggi negeri, manehna bela-belaan nunda sataun jang nyiapkeun tes asup ka perguruan tinggi negeri. Dokter gigi ieu sainganna kacida seueur, dokter gigi di universitas anu dipikahayang ku siswa ieu ge mangrupakeun jurusan favorit siswa-siswa SMA. Matakan teu salah lamun si siswa ieu wani bela-belaan belajar jang masuk ka jurusan anu diparebutkeun ku seueur siswa ieu. Komo pas di kuliah mah lain ngan saukur belajar di jero kelas, tapi oge urang kudu bisa ngasah kemampuan urang anu sejenna ameh diri urang bisa berkembang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "246", "text": "Cara neangan barang nu leungit sabenerna bisa dilakukeun ku cara nu efektif ngameh barang nu leungit bisa babari kapanggih. Nu kahiji teangan di tempat nu mindeng diliwatan. Misal leungit konci, dompet, atawa HP, bisa diteangan di meja tempat TV atawa di tempat diuk. Nu kadua diburuan imah, sabab buruan imah tempat kahiji nu ku urang liwatan samemeh asup imah. Nu katilu balik deui ka tempat terakhir kali digunakeun, misal siga chargeran, buku, atawa nu sejenna biasana digunakeun di tempat anu beda-beda. Nu kaopat teangan di tempat anu deukeut, misal lamun konci motor bisa diteangan di motorna bisi masih ngagantung. Nu kalima beberes imah, cara ieu efektif sabab lamun beberes imah sok manggihan barang anu geus lila leungit, sabab bisa wae ka tumpuk atawa ragrag di tempat nu hese kajangkau.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4349", "text": "Kahamilan teh momen anu di tunggu tunggu ku loba awewe, nepi ka aya omongan lamun can ngalahirkeun budak can jadi awewe sautuhna. Tapi fakta na ayeuna salian ti loba jelema anu nungguan hayang hamil tapi aya oge anu embungeun hamil. Alesan na nya rupa rupa tapi umum na mah nya anu can siap. Bener bener di sayangkeun emang, kuduna lamun can siap ulah ngamulai, daripada orok na anu jadi korban. Eta masalahnya loba kajadian aborsi ilegal teh, jelema anu kawas kieu biasana lamun meunang kabar ujug ujug hamil lain reuwas bungah teu percaya tapi reuwas embung percaya lain na bungah tapi kalahka sedih jeung bararingung.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2541", "text": "Kahiji, cara anu gampang pikeun ngajarkeun budaya ngantri ka barudak nyaéta ngajelaskeun pentingna budaya ngantri sorangan. Jelaskeun ka anak anjeun naha anjeun kedah sabar ngantri sareng tartib supados henteu ngaganggu batur. Ku cara kieu, murangkalih bakal mimiti ngartos budaya sareng terang yén ngantosan antrean mangrupikeun kabiasaan anu saé. Salian ti éta, ogé nambahan katerangan ka budak yén budaya ngantri ogé mangrupa cerminan dirina di hareupeun jalma séjén. Lamun budak geus bisa diajar ngantri, nyatana manéhna ogé diajar ngajénan hak batur. Salajuna, pangajaran budaya ngantri ogé bakal leuwih gampang lamun kolot ngagunakeun média kaulinan sangkan budak mimiti ngabiasakeunana. Pilih kaulinan anu bisa ngadidik barudak sangkan tartib jeung sabar sangkan sacara teu langsung ngalatih kontrol diri nepi ka gilirannana. Pikeun metode ieu, média anu dipilih gratis, tiasa waé média kaulinan online atanapi média langsung. Pangpangna, budak geus mimiti ngalarapkeun kabiasaan ngantri dimimitian tina hal-hal anu basajan, nya éta tina cara maénna sangkan ieu tokoh bakal gampang asup jeung jadi karakter dirina dina kahirupan sapopoé.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8208", "text": "Hesti teh kuliah jurusan kimia. Jurusan kimia teh jurusan nu mineng gawe di lab. Ayeuna aya tes perkawis gawe dijero lab. Kabeh mahasiswa kudu lulus dina tes ieu. Tes ieu teh janten salah sahiji sarat kalulusan ti jurusan kimia. Hessti nu bener-bener hayang geura lulus ti kuliahna keur diajar keras pisan ayeuna teh. Manehna ngapalkeun kabeh materi tur praktek-praktek di lab kusabab manehna embung ngalakukeun kasalahan saeutik wae. Hesti apal upami manehna nyeiun kasalahan salila tes, eta teh tiasa ngirangan peunten ti dosen sareng asisten praktikum. Kusabab ka ati-atianna tur kasieunanna nyieun kasalahan, Hesti janten lulus tes tur menangkeun peunten nu pang saena.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2584", "text": "Nyupiran mémang bisa ngabalukarkeun hiji jalma jadi strés atawa jadi leuwih émosional, utamana lamun kaayaan jalanna macet pisan jeung kacau. Kanggo sababaraha urang, ieu tiasa ngajantenkeun aranjeunna langkung ambek. Upami anjeun salah sahiji jalma anu jengkel pisan nalika nyetir atanapi macét, ieu tiasa disababkeun ku kaayaan anu katelah misophonia. Di dunya médis, misophonia tiasa dijelaskeun salaku gangguan émosional sareng fisik anu disababkeun ku sora. Jalma nu kaserang kaayaan ieu bisa ngarasa stress atawa hayang ambek lamun ngadéngé sora nu nyaring saperti nalika macét dina macet dimana sora mesin kandaraan jeung klakson silih ngagorowok. Nyatana, lingkungan anu ribut sapertos kieu tiasa ngajantenkeun aranjeunna ngalaman kahariwang anu kaleuleuwihan. Henteu ngan ukur sora klakson, rupa-rupa sora séjén anu rada ngaganggu sapertos ngagorowok, ceurik orok, sora petasan, bahkan alat-alat konstruksi anu dianggo ogé tiasa nyababkeun penderita misoponia langkung peka. Lamun kaayaan misophonia ieu digolongkeun parna, sora jalma mamah, ngicipan, komo ngetok ramo dina méja bisa nyieun maranéhanana pohara kaganggu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6998", "text": "Aya hiji rerencangan anu tos lami pisan patepang. Hiji poe manehna nelepon, hoyong papanggih jeung kuring. Kuring datang ka imah manehna sabari masihan kabar yen manehna bakalan gawe di luar negeri. Abdi reuwas sakaligus ngiring bingah yen manehna tiasa ngagapai cita-citana ti baheula. Abdi inget keneh basa SMA manehna kungsi nyarios yen manehna hoyong ngarasakeun cicing di Jepang, malahan manehna tos diajar basa Jepang ti SMP. lantaran manehna bakal angkat tilu poe deui, abdi ngabaturan manehna balanja jeung jalan-jalan sateuacan ninggalkeun Indonesia. Abdi mondok di imahna nepikeun nganter manehna ka bandara. Abdi sedih lantaran ieu bakal janten poe paneuri abdi papanggih jeung manehna lantaran manehna moal balik ka Indonesia dua tahun kahareup. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6002", "text": "Mun rek dioperasi teh ulah sieun, ulah sagala dipikiran nepi ka overthinking. Sabab mun geus ovethinkig mah paur bisi tekanan darahna malah jadi tinggi. Konci rek operasi mah tenang jeung tawakal. Ulah panik komo nepi ka sasah loba kasieun mah. Inget yen urang teh gaduh Gusti Allah, kantun ngadoa sing khusyuk nyuhunkeun dipaparin kalancaran dina proses operasi. Mun pikiran tenang jeung positif mah bakal positif oge kana sagala hal. Teu kedah mikiran nu henteu-henteu, anggursih ngadoa we ka Gusti Allah, tawakal jeung ikhlas kana sagala hal nu bakal terjadi. Jadi, yuk urang tenangkeun pikiran dina ngahadapi hal jiga operasi, supaya bisa lanca dina sagala prosesna!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9253", "text": "Sangkan urang teu éra lantaran aya nu nyebut bau baham, aya sababaraha cara anu bisa urang pigawé pikeun ngaleungitkeun bau ambekan. Kahiji, sikat huntu sacara rutin. Cara panggampangna pikeun ngungkulan bau bau téh nyaéta rutin nyikat huntu dua kali sapoé, nyaéta isuk-isuk jeung peuting saméméh saré. Tong hilap nganggo sikat huntu anu buluna lemes sareng odol anu ngandung fluorida. Kadua, rajin meresihan létah. Henteu ngan ukur huntu, létah ogé kedah dibersihkeun sacara teratur. Ngabersihan létahna kudu ku sikat husus jang létah. Upami anjeun hoyong nganggo sikat huntu, pilih sikat bulu anu lemes. Bersihkeun létah urang kalayan lembut sareng ulah diteken keras teuing sabab tiasa nyababkeun létah nyeri.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7485", "text": "Demam panggung tiasa dialaman ku saha wae, mulai ti pamula nepikeun ka jalmi anu geus mineng tampil di hareupeun seeur jalmi oge tiasa ngalaman. Lamun urang ngarasa hariwang, tagayur, nyeri, nepikeun sieun lamun patepang jeung jalmi anu sanes hal eta tiasa janten ciri-ciri urang nuju ngarasa demam panggung. Ciri-ciri anu sanesna nyaeta urang bakal kesangan, detak jantungna gancang pisan, ngaderegdeg, lieur, nyeri sirah, mual, jeung hoyong utah. Bisa oge lamun urang ngarasa hoyong kabur, teu resep ningal panon batur lamun ngobrol, jeung lamun urang kedah dibaturan ku nu sanes ka mamana. Ciri-ciri anu tos disebutkeun bieu lila-lila bakal nimbulkeun nyeri dia awak lamun teu diubaran. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1123", "text": "Aya sababaraha langkah nu bisa dicokot jang mengatasi perasaan sieun sorangan. Nu kahiji nyieun jadwal kagiatan nu ngabungahkeun jeung boga mangpaat nu bisa mantuan ngeusian waktu luang jeung ngalihkeun perhatian tina perasaan sorangan. Jadwal kagiatan nu direncanakeun bisa olahraga, maca buku, nonton film atawa acara TV favorit, atawa bisa ngalakukeun hobi nu dipikaresep. Nu kadua ngomong jeung babaturan atawa sahabat sacara rutin. Nu katilu miluan gabung jeung kelompok atawa komunitas nu mibogaan minat nu sarua bisa mantuan urang ngaronjatkeun hubungan sosial jeung mantuan ngurangan perasaan sorangan. Siga miluan kagiatan kursus bahasa, atawa kagiatan sukarelawan bisa jadi cara nu alus jang panggih jeung batur oge nambah jaringan sosial.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2444", "text": "Sajaba ti éta, ulikan 2006 ku Olaf Blanke, diterbitkeun dina Nature International Weekly Journal of Science, nyebutkeun yén fenomena ningali hantu bisa jadi alatan tingkat luhur karbon monoksida asup kana uteuk atawa disebut karacunan karbon monoksida.\nAnjeun pasti moal sadar karbon monoksida asup kana awak anjeun sabab bentuk gas na ngajadikeun eta siluman ku panon. Tanda-tandana nyaéta upami anjeun ngarasa lieur, capé, seueul sareng diteruskeun ku halusinasi, salah sahijina ningali hiji hal dina bentuk anu tangtu.\n\"Karacunan karbon monoksida tiasa nyababkeun sagala jinis halusinasi- audio, visual, perasaan anu aneh dina kulitna nalika teu aya nanaon di dinya,\" saur ahli toksikologi Albert Donnay ti Johns Hopkins Medicine.\n", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2150", "text": "ceurik, lolong jeung cimata, pamitan, kaduhung jeung ngucapkeun menta hampura ka nini, teu hilap oge nelepon baraya nu teu hadir yen Nini geus mao. Bapa kuring gugah tina korsina nalika nini maot sareng teu aya deui napas. Anjeunna ngahubungi ambulan, rumah duka, koran pikeun ngatur berita duka, RT ngeunaan surat kematian, bari ngahibur sareng nenangkeun kuring sareng indung kuring anu masih sibuk ceurik. Abdi henteu ningali cimata Bapa dinten éta. Malah poé saterusna, nalika prosesi tunggara jeung kremasi dilaksanakeun. Bapa ngurus sagalana, ampir nyalira. Waktosna ngabingungkeun kuring, dugi ka ahirna kuring naros ka Ibu naha Bapa henteu ceurik. \"Bapa anjeun, ngalakukeun sagalana nu anjeunna tiasa nalika Nini masih hirup.\" Nyadar éta, kuring diideuan pisan. Éta kumaha urang kedah ngubaran jalma anu dipikacinta. Salami aranjeunna masih aya dina kahirupan urang, urang tiasa ngalakukeun anu pangsaéna pikeun aranjeunna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7292", "text": "Teungah peuting abdi ditelepon ku rerencangan abdi anu tos nikah yen manehna nuju ngates kahamilan make tespek. Manehna nelepon sabari cicing di kamar cai lantaran teu percaya. Abdi janten jalmi kahiji anu apal yen manehna hamil, komo salakina oge teu acan apal. Manehna hoyong mastikeun heula supados teu nguciwakeun salaki jeung kulawargina lantaran manehna tos kaguguran opat bulan sateuacanna. Pas tos mastikeun manehna oge menta dibaturan pariksa ka dokter tanpa salakina. Pas tos dipastikeun ku dokter, untungna kondisi orokna sehat. Manehna sareng salakina teu ereun ceurik lantaran bungah pisan, du'a aranjeunna dikabulkeun ku Alloh. Aranjeunna jangji bakal ngajagi ieu orok supados teu kaguguran. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2871", "text": "1. Anjeun kudu neangan katengtreman dina diri, 2. coba pikeun manggihan hal nu anjeun resep jeung ngajadikeun anjeun tenang, kayaning ngadengekeun musik, nempo laut, nempo langit sore, ningali hujan, jsb;\n3. Anjeun tiasa nyaritakeun kasieun anjeun ka batur anu anjeun percanten sareng tiasa masihan solusi pikeun kasieun anjeun;\n4. Biasakeun ngahargaan unggal waktu jeung waktu, inget kana hal-hal nu éndah jeung pikabungaheun nu geus kaalaman;\n5. Émut yén anjeun henteu nyalira, anjeun mangrupikeun jalma anu berharga sareng anjeun pantes kabagjaan sapertos anu sanés;\n6. Coba sok ningali jalma anu mikanyaah anjeun, lamun anjeun ngarasa anjeun teu aya, anjeun masih boga diri jeung Allah anu bakal salawasna aya pikeun anjeun dina kaayaan naon;\n7. Ngadoa jeung néangan cara pikeun ngébréhkeun naon nu aya dina haté. 8. Anjeun bisa nulis dina buku atawa tempat séjén anjeun resep.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3247", "text": "Kuring geus ka Cina. Boh ka dayeuh boh lembur. Jeung bener ceuk batur yén jamban di dinya kotor. Sanajan teu kabeh, upamana, mun ka mall tetep beresih. Abdi mangrupikeun jalma anu damel di perusahaan Cina. 50% tina populasi di kantor kuring urang Cina. Ti kelas luhur nepi ka menengah. Nu hanjakalna nya eta budaya kotorna dibawa ka Indonesia. Kuring ngan bakal ngabejaan ngeunaan hal nu patali jeung jamban. Jadi unggal isuk mun ka kantor kudu pipis, leuwih sae mah ngan nahan pipis nepi ka budak kantor meresihan WC. Naha anjeun bingung? Masalahna wc pasti bau pisan. Isuk-isuk geus waktuna urang Cina ee jeung hobi maranéhna teu nyiram ee! Astaghfirullah!!!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7584", "text": "Baheula di sakola abdi aya kandang domba di caket tempat parkir jeung lapangan sakola. Abdi sareng rerencangan resep ningal domba di kandangna. Kandangna teh dijieun tina awi jeung kai anu geus rada reot lantaran geus lila. Basa eta abdi sareng rerencangan nuju aya palajaran olahraga di lapangan. Di tengah-tengah palajaran aya sababaraha rerencangan anu ngahereuyan domba, teu lila domba eta kaluar ti kandangna lantaran disuruduk ku tandukna, anu leuwih parahna deui eta domba teu ditalian, barudak langsung sarieun bari lulumpatan, aya rerencangan abdi anu diudag domba langsung buru-buru asup ka kelas. Untungna domba langsung ditewak jeung diasupkeun deui kana kandangna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7303", "text": "Abdi sareng rerencangan nuju jalan-jalan di basisir. Sapertos biasana lamun nuju ameng di basisir pasti aya hiji kaulinan anu teu meunang kaliwat nyaeta ulin pasir. Abdi sareng rerencangan teu hilap mawa sekop sareng alat-alat anu sanesna kanggo ngagali pasir. teras ngadamel lobang anu jero pisan supados tiasa dieusian ku jalmi sangkan awakna kakubur, ngan huluna hungkul anu katingal. Lantaran bade ngadamel dua lobang kanggo dua jalmi. Urang langsung semangat pisan ngagali sing jero. Tapi pas nuju ngagali aya bagian anu hese digali. Pas ditingal aya hiji botol anu dijerona aya surat. Pas dibuka di jerona aya duit saratus rebu jeung surat anu tulisanna \"saha wae anu nimu botoll ieu meunang make duit ieu\". ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6351", "text": "Salah sahiji pangalaman nu paling ngerakeun teh nyaeta salah asup toilet. Biasana sakabeh jalma mah sok pernah ngarasakeun salah asup toilet, boh karena buru-buru, boh karena emang teu apal. Mantakna samemeh asup ka toilet nu aya di tempat umum teh kudu diriksa heula, ditingalian tulisan jeung simbolna, ulah nepi ka salah asup. Komo mun rek make toilet na mah, kudu sing tarapti. Terus tong poho ngoncikeun kamar mandi mun rek make teh, ulah nepi ka kapodosan. Mun make kamar mandi ge kade barang bawaan kudu tarapti, ulah nepi ka tinggaleun atawa leungit. Jaga kabeh bawaan sorangan sing bener beh teu leungit!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8500", "text": "Ngadenge hitut di tempat umum tiasa ngerakeun sareng kagok pikeun sababaraha urang. Aya sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era nalika katangkep hitut di tempat umum. Coba tetep tenang sareng pikir sacara rasional. Ieu mangrupikeun kaayaan umum sareng sanes hal anu ageung. Inget yen jalma sejen bisa jadi teu aya bewara atawa mikir ngeunaan eta sanggeus bari. Upami aya anu hitut, cobian hapunten kalayan sopan sareng henteu emosional teuing. Coba difokuskeun kaayaan ayeuna jeung poho isin. Fokus kana tugas atanapi kagiatan anu aya bakal ngabantosan ngaganggu sareng ngirangan rasa isin. Nyarioskeun diri anjeun sacara positif sareng yen eta sanes tungtung dunya. Emut yen urang sadayana ngalakukeun kasalahan sareng gaduh kaayaan anu ngerakeun. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3401", "text": "Dina pamanggih kuring, teu ukur hutang saluareun hartosna abdi, tapi ngabogaan hutang tanpa rencana pikeun ngaronjatkeun panghasilan pisan dahsyat. Bayangkeun upami anjeun gaduh hutang kalayan bunga 5% per bulan. Ieu ngandung harti yén dina 20 bulan, hutang anjeun bakal dua kali. Anggap anjeun sabar ngantosan atanapi panginten anjeun tiasa ngantosan 20 bulan, teras anjeun ngahémat 50%.\r\n1. eusi diri ku naon meunang\r\nJieun rencana jangka panjang, sarta sisihkan saméméh méakkeun eta\r\n2. Mortgages kedah hutang anu asup akal pikeun kalolobaan jalma, sabab purchasing aset sipat di lokasi alus condong jadi nguntungkeun dina jangka panjang.\r\n3. Lamun aya rencana panghasilan anu merlukeun hutang, pastikeun anjeun gaduh jaminan dibandingkeun euweuh jaminan, sarta dina tungtungna anjeun kudu leungit sagalana.\r\n4. Janten konservatif sarta nyiapkeun pikeun awon, lamun boga hutang\r\n5. Ninggalkeun warisan kabeungharan jeung pangaweruh pikeun barudak anjeun, teu debtors jeung kolektor.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1419", "text": "Ti keur leutik mun hayang maenan teh tara dipangmeulikeun, jadi mun pas istirahat sakola urang ngan saukur ninggalian maenan di tukang dagang. Hayang meuli tapi duitna oge boboraah cukup. Harita teh keur ngetren maenan gangsing, ampir kabeh babaturan di sakola barogaeun. Urang ngomong ka si emangna, \"Mang bae nya dianjuk heula\". Si emangna teh awalna kageteun da meureunan leutik keneh geus wani ngahutang. Tapi sanajan reuwas ge tetep dibere anjuk ku si emangna. Unggal poe pas istirahat, urang sok era mun ngaliwat ka tukang maenan teh lantaran can bisa mayarna. Nepikeun mun rek jajan ge nitip ka babaturan, ngarah si emang tukang maenan teu ninggali urang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4068", "text": "Tahun 2020 teh kan aya covid, mimiti asup ka indonesia pas bulan maret kuduna pamarentah buru-buru netapkeun lockdown meh teu loba teuing warga anu beunang virus. Geus rebuan jelema anu beunang karek di lockdown, jadi weh makin loba korban jiwa termasuk nini urang. Basa eta urang keur gawe di rumah sakit bagian pendaftaran paling hareup, terus keur usum virus delta anu nular na teh gancang pisan. Unggal poe urang ngalayanan pasien covid, sakitu geus nurutkeun aturan kasehatan, geus ngonsumsi vitamin sagala rupa angger weh urang beunang. Urang teu ngarasa mamawa virus ka imah, nyah-nyaho urang ngalaman nyeuri tikoro jeung batuk pilek. Pas di swab urang positif, urang langsung ngungsi di kontrakan sorangan meh kolot teu beunang, tapi geus telat ku sabab virus nu ku urang bawa ka imah geus asup ka kabeh awak kolot urang di imah. Si bapak jeung si ibu mah cager jarak dua minggu teh, tapi nini urang anu ngaboga panyakit darah tinggi teu bisa di salamatkeun. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9544", "text": "Roni mangrupikeun penggemar sepakbola anu resep pisan ka timnas Indonesia. Anjeunna mikaresep pisan Bambang Pamungkas, striker anu kasohor ku kamampuan maen anu luar biasa. Roni sok lalajo pertandingan-pertandingan anu diiluan ku timnas Indonesia, sarta manehna sok ngarasa bungah pisan unggal Bambang Pamungkas nyitak gul. Hiji poe, Roni meunang beja yen timnas Indonesia bakal latihan di stadion nu deukeut. Tanpa mikir dua kali, Roni langsung muru ka stadion asa hayang papanggih jeung Bambang Pamungkas. Anjog ka stadion, Roni teu sabar hayang nyaho dimana Bambang Pamungkas latihan. Tuluy Roni gancang-gancang indit gancang ka stadion, teu disangka-sangka ningali Bambang Pamungkas keur latihan. Roni teu bisa nahan kabungah. Anjeunna langsung lumpat ka Bambang Pamungkas sarta ngajak poto. Bambang Pamungkas kalayan bungah narima pamenta Roni, ahirna Roni bisa nepungan idola nu geus lila manehna puja-puja. Roni kacida bungahna sarta ngarasa bagja pisan bisa panggih jeung Bambang Pamungkas. Anjeunna ngarasa yen ieu dinten anu paling berharga pikeun anjeunna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3394", "text": "Loba pisan tradisi anu dilaksanakeun saméméh lebaran, mimitian ti balanja baju, jajan, daging, atawa tradisi mudik anu bisa jadi taun ieu sarua jeung taun kamari. RB Consulting, Research & Business Consulting gawé bareng jeung Snapcart ngayakeun survey online patali Idul Fitri ka 1.050 responden lalaki jeung awéwé umur 18-50 taun anu ngarayakeun Idul Fitri di sakabéh kelas sosial ékonomi, hirup di Pulo Jawa, Sumatra jeung sababaraha wewengkon di Indonésia . Survei ieu dilaksanakeun dua kali, nya éta tanggal 26 Maret 2021 ka 300 responden saméméh pamaréntah ngumumkeun larangan mudik sarta dina tanggal 1-5 April 2021 ka 750 responden sanggeus pengumuman. hasilna bisa diringkeskeun kieu. Sateuacan pandémik, sakitar 52% réspondén nyarios yén belanjana ningkat salami Ramadhan. Taun 2020, nalika pandém, angka ieu turun drastis ngan ukur 33%. Taun ieu, 46% réspondén ngarepkeun belanjana ningkat deui salami Ramadhan dibandingkeun bulan-bulan normal. loba anggraan nu di pake jang meli sandang annyar , alesanna beh tampil pede jeung teu era make baju nu sarua pas lebaran.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7555", "text": "Basa nuju bosen pisan lantaran pandemi, rerencangan abdi mulai nyobian narkoba. Padahal sateuacanna manehna jalmi anu bageur anu teu pernah nyobian anu kararitu. Tapi pas pandemi manehna janten leuwih mineng ulin sareng rerencangan anyarna nepikeun diajakan nganggo narkoba. Asalna mah abdi teu percaya manehna bakal kitu, tapi aya hiji kajadian anu nunjukkeun yen manehna mulai nyobian hal anu nakal. Manehna oge hiji poe pernah nawaran abdi nganggo narkoba tapi abdi sieun lantaran eta teh dilarang ku agama. Narkoba oge gaduh seeur pisan kaburukanna, mulai ti ngaruksak otak urang nepikeun ngaruksak moral urang. Untung we abdi teu wani nyobian janten manehna teu nawaran deui ka abdi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6053", "text": "Teu saeutik jalma nu sok amprok jeung oray lamun keur di kebon atawa di leuweung. Malahan mah mun keur ngala lauk ge sok amprok jeung oray dina cai. Lolobana mah sieun ku oray teh sabab ngabogaan bisa nu beracun. Komo mun jalmi lembur mah teu bisa jeung teu apal bedana oray berbisa jeung henteu, mantak mun nempo oray rupa nanaon ge sok nganggap berbisa, jadi sieun. Tah, mun keur amprok jeung oray teh ulah sok kalap, tenangkeun jeung atur diri sorangan, tuluy baledog orayna make alat nu aya di deukeut urang. Sabisa mungkin mah urang bari ngahindar, ulah nepi ka salah gerak nu nyebabkeun provokasi si oray. Mun geus ka provokasi mah bakal bahaya sabab sok macok. Mantak, mending urang ngahindar we dari pada resiko na gede!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2229", "text": "Hirup sorangan sabenerna nalangsana sarua kos anime Naruto. Kuring sok ngarasa sepi, utamana lamun aya kajadian goréng. Sabenerna naon anu rék dijelaskeun dina séri Naruto, ngeunaan hirup sorangan bener. Ngeunaan liang dina haté, nu kuring pribadi pernah nyaho naon éta, tapi salawasna blok kuring sarta salawasna ngajadikeun kuring sedih. Kuring nyoba ngeusian kakosongan ku nyieun babaturan, jeung nganggap maranéhna sadulur. Nyatana, jarang aya hubungan sapertos kitu. Nepi ka ahirna kuring nepi ka kacindekan yén kulawarga masih kulawarga, jeung babaturan masih babaturan. hubungan moal robah sanajan lampah alus anjeun dumasar kana kaikhlasan nu iklas pisan. Aranjeunna bakal salawasna nguciwakeun nu anjeun jieun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2465", "text": " Anjeunna ogé terang sanés kusabab X nyarioskeun éta carita tapi kusabab. Anjeunna ningali éta nyalira, bla bla bla ... pokna nyaéta X ngagaduhan rusiah gedé anu disimpen sareng Y terang naon rusiahna, sareng Y ieu henteu percanten pisan. urang bisa ngajaga rusiah. Kami malah leuwih panasaran, Urang pasti teu nyerah sarta terus ngayakinkeun Y yen Urang bisa nyimpen rusiah. Sareng unggal Y hoyong nyarios, anjeunna ragu deui sareng nyobian ngahindar, tapi kami tetep nuturkeun anjeunna dimana-mana, ka kantin, perpustakaan, taman sakola, ka lab, dugi ka bosen didamel ku anjeunna…. Nepi ka iraha waktuna balik, Y masih tetep nutup sungut ngeunaan rusiah X sarta kami masih persuading ngomong naon anu lumangsung?\n\nAnjeunna sigana geus nyerah sarta tungtungna hayang ngabejaan carita, kalawan katingal ngayakinkeun dina raray Y urang cenah \"The nyata X nyaeta .... Power Rangers\"…. Urang tiluan reuwaseun, Y seuri bari lumpat. Urang nu karek sadar, tétéla jadi diulinan pagawéan Y sadidinten...langsung nyumpahan bari ngudag..", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7326", "text": "Sagala anu aya dina awak urang teh pamere ti Gusti Alloh. Matak ulah sok moyokan batur ngan pedah manehna boga kakurangan fisik sabab eta teh pamere ti Alloh. Sadaya bentuk anu diciptakeun tos sampurna pisan, manusa we anu sok teu ngarasa puas jeung nyiptakeun standar sorangan. Jalmi anu geulis teh kedah bodas jeung biwirna bereum. Padahal naon wae warna kulit sadayana kedah dihargaan. Matak tong segan lamun urang diperlakukeun teu adil pedah dinilai tina fisikna. Pernah rerencangan kuring nyeseulan lalaki anu moyok manehna lantaran kulitna hideung jeung nyebut manehna tara mandi, jadi hideung. Teu tarima, manehna langsung ngalungkeun tasna ka bengeut lalaki eta.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6855", "text": "Lamun bade angkat ka sakola pasti aya wae masalahna teh. Komo mun gugah bobo enjing na telat, pasti pas bade angkat ka sakola bakal pakpikpek pisan. Pas bade angkat ka sakola, pun adi tos siap2 ngangge acuk sakola, tos ngangge tas, tos ngangge sapatu, tos lengkap. Tapi aya hiji anu hilap, nyaeta botol minum. Pun adi langsung buru-buru ngeusi botol ku cai, pas bade ditutup epekteh si tutup botolna leungit. Padahal sadayana tos siap, tinggal angkat tapi jadi riweuh lantaran kedah milarian tutup botol heula. Akhirna tipada telat angkat ka sakola, kapaksa eta botol ditutup make tutup anu sanes pasanganna, janten warna tutup jeung botol na benten.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2837", "text": "Sieun panggung mangrupikeun hariwang, phobia anu aya hubunganana sareng pagelaran di payuneun panongton. Numutkeun kana Asosiasi Psikologi Amérika, kasieun panggung mangrupikeun perasaan kahariwang sareng sieun naon anu bakal dihontal nalika ngalaksanakeun. Maranéhna ngahariwangkeun naha nu dipintonkeun téh saperti nu dipiharep atawa henteu, saperti ngobrol, maen alat musik, jeung dahar di tempat umum. Sieun panggung pasti bakal ngaganggu penampilan urang di masarakat. Ieu henteu ngan ukur kajantenan ka panyatur umum, tapi ogé pikeun profési sanés sapertos musisi. Utamana pikeun anu pertama kali manggung atawa geus lila teu manggung, sieun panggung pasti bakal kajadian jeung mangaruhan pisan kana penampilan urang sorangan. Saterusna, panongton bisa kuciwa ngan kusabab urang ngalaman eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6927", "text": "Meunang kabar yen bapana rerencangan abdi asup ka rumah sakiit, abdi janten sedih pisanlantaran mamahna teh tos siga mamah kuring sorangan. Abdi tos sapuluh taun sasarengan sareng rerencangan abdi, lamun abdi mondok di imahna, abdi pasti tos dianggap sapertos anakna sorangan. Mamahna oge mineng nitipkeun murangkalihna ka abdi lamun nuju ulin di luar. Pokona mah abdi nyaah pisan ka manehna. Matak pas ngadagu kabar mamahna di rumah sakit, abdi langsung buru-buru datang ka rumah sakit. Pas ningal mamahna, nyatana kondisina teh tos nganggo alat bantos kanggo napas. Dokterna oge nyarios yen lamun alatna dileupas, mamahna tos tiasa dipastikeun bakal pupus. Akhirna alatna dileupaskeun lantaran rerencangan abdi tos iklas.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9156", "text": "Kuring jijik pisan nalika kuring nempo hiji WC anu kotor jeung jorok. Kusabab toilét anu kotor, bakal aya ogé sato anu kotor. Cucunguk nyaéta salah sahiji serangga anu sering katingali di kamar mandi. Biasana asalna tina solokan di kamar mandi. Éta sababna penting pikeun nutupan saluran cai supados cucunguk henteu lebet kana éta. Kamar mandi anu jarang dibersihkeun ogé ngajantenkeun aranjeunna langkung senang muncul di dinya. Ayana emang ngaganggu, tapi urang kedah nyingkirkeun éta langsung nalika urang ningali di kamar mandi. Hiji deui pangaruh kamar mandi anu henteu dijaga beresih nyaéta munculna lipan. Serangga ieu biasana asalna tina wc atawa liang pembuangan. Anjeunna resep tempat anu bau, sareng poék. Sato ieu ngagaduhan anteneu anu tiasa nyeureud, janten ati-ati upami anjeun ningali lipan di sabudeureun anjeun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1384", "text": "Rasa geuleuh mun kakeunaan ciduh batur mangrupakeun reaksi alami nu dirasakeun ku sabagian loba jelema. Rasa geuleuh eta utamana kajadian lantaran ciduh ngandung rupa-rupa kuman jeung bakteri nu bisa ngabahayakeun kasehatan urang. Salian eta, benda nu asalna tina awak batur, henteu disadari nempel ka urang bisa nyebabkeun rasa teu nyaman jeung teu beresih. Ku kituna penting jang urang kanggo ngahindar tina ciduh batur, utamana pas keur ngobrol jeung batur nu henteu urang pikawanoh atawa pas aya resiko panyakit. Urang bisa ngagunakeun masker atawa ngajaga jarak sosial nu cukup pas keur ngobrol atawa beinteraksi jeung batur. Salian eta, lamun urang keur gering atawa mibogaan gejala panyakit nular, penting jang ngahindar kontak fisik jeung nguatkeun kaberesihan awak jeung lingkungan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4685", "text": "Jaman ayeuna mah awewe jeung lalaki satara posisina, sakabeh pagawean jeung profesi anu baheula ngan saukur bisa bisa di pigawe ku awewe lalaki oge bisa ngalakukeun na ayeuna saperti masak jeung ngarias. Loba ayeuna tukang masak atawa chef jeung tukang rias atawa MUA lalaki jeung hasilna aralus pisan kusabab aya bakatna. Ayeuna mah sagala oge bisa di pigawe teu ningali kana jinis kelamin na. Jadi lamun boga bakat didinya hususna lalaki ulah sok sieun di bully lamun kitu wae mah hirupna moal maju. Lamun ngadengekeun omongan batur mah moal aja tungtungna. Matakna sok buktikeun lamun di bully oge ulah kalah elehan jeung sieun justru kudu ngabuktikeun yen maneh teh bisa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "310", "text": "Harita awal taun 2010, nini urang ngantunkeun. Nini ti indung. Ti SMP keneh urang jeung lanceuk maturan anjeunna di imahna, sabab anak-anakna jeung incuna jarauh. Ngan indung urang jeung lanceukna nu deukeut imahna. Harita awal taun teh urang nepi nungkulan saat-saat terakhirna nini urang aya di dunya. Geus teu bisa nanaon ngulampreh dina kasur di tengah imah ngarah babari mun aya nu ngalongok. Urang geus lila maturan nini urang teh, jadi mun aya pakumaha-pakumaha teh aya urang. Sabab geus hese leumpang, leumpang ge make iteuk. Jadi lamun aya naon-naon ku urang sok dipangmawakeun. Pas poean ngantunkeun, torojol loba dulur nu daratang ti mana-mana. Dugika urang ngajajap ka tempat peristirahatanna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8456", "text": "Urang mindeng ningali tumpukan sampah numpuk di sisi jalan. Sampah bisa datang ti sagala rupa tempat sarta nyieun hiji tempat katingal pisan kotor jeung pikageuleuhen. Urang kudu keuheul lamun ningali tumpukan runtah. Urang malah ngarasa geuleuh ku ukur ningali tumpukan runtah. Urang ngarasa kawas nyokot sapu jeung ngabersihan sampah pikageuleuhan anu numpuk eta sorangan. Tapi mindeng pikiran ieu ngan meuntas tanpa sabenerna ngalakukeun. Urang gaduh seueur pertimbangan nalika urang hoyong ngabersihkeun sampah. Urang tiasa gering nalika ngalaksanakeun tindakan beberesih ieu. Urang oge kudu mikir yen eta teh lain hiji hal anu efektif sabab jalma bakal terus miceun sampah jeung numpuk sampah nu pikageuleuhen.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8226", "text": "Sieun diudag sato teh normal bagi jalma. Kusabab babaraha sato tiasa ngabahayakeun hirup urang. Upami diudag ucing, hayam, jeung sato-sato nu biasa dipiara mah aman-aman wae upami diudag. Nanging upami sato nu liar mah justru urang kudu waspada tur wajar upami sieun diudag sato. Babaraha sato nu biasa dipiara ge tiasa keneh nyilakakeun urang. Sapertos domba atanapi kebo nu tos dipiara ti leuleutik ge tiasa nanduk tur nyieun cilaka urang. Komo deui sato liar nu bahayana leuwih-leuwih ageung. Bahayana sanes nyieun cilaka hungkul nanging tiasa nyieun maot oge. Tos seueur kasus-kasus jalma nu diserang ku sato nu liar. Meni brutal pisan serangan-seranganna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8984", "text": "Sakali di wewengkon imah kuring aya kagiatan fogging, urang teu diidinan asup ka jero imah. Sarta bari imahna difogging, urang ngan ningali eta ti kajauhan sabab haseupna teu alus lamun kaseuseup jadi urang ulah deukeut-deukeut. Singkat carita, kagiatan fogging geus rengse, tapi urang kudu nungguan sababaraha menit saméméh asup ka imah nepi ka haseup di jero imah kaluar. Bari nungguan, urang diuk di teras imah ngobrol. Teu pati lila, urang ngarasa aya nu aneh leumpang dina tonggong kuring, kuring langsung nanya ka adi kuring ningali mahluk naon anu aya dina tonggong kuring. Ternyata eta teh kecoak, kuring sareng adi kuring refleks ngajerit tarik sabab sieun sareng teu aya anu hoyong nyingkirkeun éta kecoa. Akhirna kuring luncat-luncat nepi ka si kecoa murag. Sanggeus kajadian eta urang asup ka jero imah tetela pas asup ka imah aya kajadian anu leuwih goreng nyaeta urang diudag ku kecoak ngapung. Kulantaran lantaina licin, ampir-ampiran kuring geubis bari lumpat ngajauhan kecoak. Upami kuring émut, kuring nyangka yén kajadian éta leres-leres tegang tapi ogé pikaseurieun upami urang nginget-nginget deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6910", "text": "Zaskia Sungkar sareng Irwansyah, pasangan anu tos nikah salila hampir sapuluh taun ngarep pisan hoyong gaduh murangkalih. Manehna teu acan gaduh murangkalih nepikeun ayeuna sanes lantaran teu hoyong gaduh murangkalih tapi kulantaran aya panyakit anu nyebabkeun anjeunna hese hamil. Tapi panyakit eta teu ngajadikeun aranjeunna nyerah gaduh murangkalih, Zaksia sareng salakina, Irwansya tos ngalakukeun sadayana kanggo tiasa hamil. Zasia kantos nyobian inseminasi nepikeun operasi nepikeun tilu kali nyaeta operasi di Malaysia tapi kawasa Allah teu acan masihan murangkalih kanggo anjeunna. Pas pandemi kamari, anjeunna deui nyobian salah sahiji cara anu tos kaubukti tiasa ngajadikeun urang hamil nyaeta orok tabung, transfer embrio. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "272", "text": "Najwa Shihab salah sahiji idola urang, mimiti ngaidolakeun Najwa Shihab pas keur jadi presenter di acara Mata Najwa Metro TV. Sanajan gaweanna presenter, tapi sabenerna mah Najwa Shihab lulusan Ilmu Hukum. Najwa Shihab orang anu tegas jeung cerdas, kabuktian sok ngawawancara menteri-menteri Indonesia, atawa kasus-kasus nu keur rame. Salian ti tegas jeung cerdas, perawakanna ge geulis, rambutna anu sapunduk, jeung warnana semu coklat. Naha katinggali tegas sabab ditinggali dina bulu matana anu centik jeung kandel. Sanajan umurna geus teu ngora deui, tapi Najwa Shihab tetep katinggalina modis, jeung osok ngagunakeun sapatu sneaker jadi katinggali kekinian jeung siga budak ngora keneh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6956", "text": "Usaha moal ngakhianatan hasil teh nyatana teu sakabehna bener. Geningan usaha abdi anu tos pepeuriheun, ngaluarkeun artos anu teu sakedik teh can tangtu kabayar ku hasil anu sasuai. Abdi tos diajar beurang peuting nepika hilap kana waktos, hilap dahar, tapi tetep we ai rejekina teu acan dongkap mah tetep gagal. Pernah abdi ngarasa putus asa, moal ngalajengkeun deui rencana kanggo kuliah, mending digawe tapi asa lebar lantaran mamah jeung bapa mapatahan kanggo ngudag pendidikan supados teu janten nasib mamah jeung bapa. kedah aya di kulawargi ieu anu kuliah supados tiasa ngangkat derajat kulawargi, supados tiasa ngarobah nasib uran janten jalmi anu leuwih sejahtera.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6399", "text": "Abdi pernah meser sayuran ka toko sayur anu aya di deukeut imah abdi. Biasana abdi mun balanja teh sok tara nanyakeun harga, apal mayar we hungkul totalna. Harita mah abdi keur rada teu ngareunah awak, jadi cepil teh rada bindeng ngadangu sora teh. Pas si emangna nyebut harga lima puluh rebu, ku abdi kadanguna mah opat puluh rebu. Abdi salila-lila ngajanteng nungguan angsulan, eh si emangna mah kalah hare-hare wae. Abdi teh nunungguan angsulan we teu indit-indit. Pas geus lila pisan, abdi nanyakeun angsulan we ka si emang. Eh singhoreng mah ceuk si emang teh da pas lima puluh rebu. Aduh abdi meuni isin pisan harita, buru-buru we ngenta hampura tuluy balik.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7830", "text": "Basa abdi sareng rerencangan nuju aya kagiatan di salah sahiji desa, abdi sareng rerencangan dipasihan hiji imah kanggo urang istirahat salila ngalakukeun kagiatan di desa eta. Asalna mah abdi atoh pisan tiasa cicing di desa anu sejuk jeung loba nu hararejo, tapi kanyataanna mah gening sok loba sasatoan leutik anu asup ka imah, anu paling loba nyaeta limusakereut. Rerencangan abdi anu teu apal mah nyebut eta teh lentah, padahal eta mah limusakereut, sanes lentah. Seeur rerencangan abdi anu reuwas lantaran limusakereut aya di mamana, aya di kamar cai, dina kamar, dina tembok, nepikeun dina piring jeung kompor sok aya wae limusakereut. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6269", "text": "Di lembur abdi mah aya hiji pamuda nu sok gangon sapi ka situ nu di deukeut bale desa. Sapi nu diangon na teh loba pisan, aya dalapan ekor sapi. Mun isuk-isuk jam tujuh teh sok dialeutkeun ka situ, dikawal ku tilu anjing nu sok nunutur ti tukang. Mun ja lima sore sok dialeutkeun deui ka kandangna nu aya di deukeut imahna. Tah mun sapi na keur ngaleut teh sok bau pisan ngahiliwir. Geus kitu, tai na ge sok berceceran di mana-mana. Sapanjang jalan nu kaliwatan na teh sok aya tapak tai sapi. Teu pernah aya nu meresihan, komo nu boga na mah, cuek we ngaleutkeun sapi. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8473", "text": "Teu kungsi ngageuing jalma nu teu hayang meuli atawa geuleuh ku kadaharan sisi jalan. Urang kudu ngarti, bisa jadi jalma sok merhatikeun kabersihan kadaharan anu didahar. Urang kedah ngartos yen rasa geuleuh eta timbul kusabab prihatinna kana kabersihan dahareun. Geuleuh oge geus dibuktikeun ku para ahli salaku mekanisme pertahanan diri pikeun nyegah awak tina kakeunaan hal-hal anu bisa ngarugikeun awak kayaning bakteri, kuman jeung mikroba lianna. Geuleuh teh normal jadi urang teu kudu nganggap serius ka jalma anu geuleuh ku kadaharan jalanan. Kadaharan jalanan sigana leres-leres kedah diperhatoskeun dina kutipan anu pikasieuneun sanes kusabab nanaon tapi kusabab kabersihanna henteu dijamin.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2573", "text": "Mamah jeung Papah bisa manggihan budak ngawadul sanggeus digebugan ku babaturanana. Perlakuan ieu bisa nyieun Mamah-Papa ngarasa sebel, cara ieu bisa nyieun pikiran leuwih tenang. Sabalikna, ti batan nyalahkeun budakna atawa ménta dipukul deui, Mamah jeung Papah bisa leuwih bijaksana ngaréaksikeun budak anu digebugan ku babaturanana. Dina umurna, murangkalih teu masih tiasa sesah ngontrol diri. Ieu bisa nyieun aranjeunna kalakuanana leuwih aggressip ambéh maranéhanana pencét barudak lianna. Aranjeunna malah teu tiasa ngartos alesan pikeun ngalakukeun tindakan ieu.Numutkeun Psikolog Klinis ti Universitas Columbia, Amérika Serikat, Laura Markham, Ph. D., salah sahiji alesan budak neunggeul baturna t��h lantaran sieun. Ku alatan éta, indung jeung bapa ulah langsung nyalahkeun neunggeul anak. Sanajan kitu, éta lain hartosna yén kolotna kudu narima yén anak maranéhanana keur diteunggeul ku babaturan,", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2181", "text": "Kuciwa sanés émosi anu pikaresepeun sareng tiasa karasaeun pisan. Tapi éta henteu hartosna éta émosi goréng anu kedah dihindari. Rumaja mindeng ngarasa kuciwa lamun teu bisa ngahontal cita-cita nu geus ditangtukeun, upamana gagal meunang peunteun alus, ditolak ti Universitas atawa Jurusan, ayeuna jadi kolot naon anu kudu dipigawé, nyaéta:\r\n1. \"Ngidinan\" anak ngarasa kuciwa\r\nKolot boga kacenderungan ngajaga budak tina hal-hal anu teu pikaresepeun, kalebet ngajagaan aranjeunna tina kuciwa. Coba nyadiakeun kasempetan pikeun barudak ngalaman kuciwa sakali-kali sabab ieu diperlukeun pikeun nyiapkeun aranjeunna keur dewasa sorangan. Kuciwa mangrupakeun bagian normal tina kahirupan nu mantuan hiji jalma pikeun ngawangun resilience - kamampuhan pikeun naek luhur tur ngajarkeun kumaha carana ngolah jeung ngatur émosi.\r\n2. Dengekeun jeung narima\r\nUlah buru-buru ngajawab masalah anu kaalaman ku barudak. Gantina, coba ngadangukeun tur nampa frustasi jeung kuciwa nu anak boga. Kadé ulah nganggap enteng hal-hal anu ngajadikeun aranjeunna ngarasa kuciwa. Tekenan yén kolotna daék marengan, ngadangukeun, sarta ngarojong aranjeunna ngaliwatan moment ieu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7231", "text": "Aya hiji tempat anu mineng pisan didatangan ku kuring, ampir unggal poe abdi meser di dinya lantaran tempatna teh lengkep pisan, sagala aya. Mulai ti parabot, dahareun nepikeun pakakas elektronik oge aya jeung hargana teh mirah. Lantaran ku minengna abdi ka dinya, kuring nepi keun kenal ka sekuriti jeung kasir di dinya. Hiji poe aya hadiah kanggo saha wae anu tos balanja luewih ti dua puluh dua kali bakal meunang hadiah anu aya di meja kasir lantaran ieu toko nuju ngarayakeun ulang taun anu ka dua puluh dua taun, abdi janten salah sahiji anu meunang hadiah lantaran tos balanja tilu puluh kali.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8187", "text": "Kang Asep kantos diancem ku Pak Lurah. Sabab musababna nyaeta Kang Asep protes ka Pak Lurah upami artos kas desa teh leuwih sae dimanfaatkeun pikeun nyieun infrastruktur nu manfaat ka seueur jalma sanes infrastruktur nu kirang guna sapertos, patung Pak Lurah diharepeun kantor desa. Kang Asep teh lain sorangan hungkul nu pernah diancem ku Pak Lurah seueur jalma nu tos diancem oge ku Pak Lurah. Anceman Pak Lurah teh teu heureuy-heureuy ancemanna nyieun sieun jalmi nu diancem. Bahkan aya rerencangan Kang Asep nu kuat pindah kota kusabab diancem kulawargina bakal disangsarakeun upami cicing di desa nu dipimpin ku Pak Lurah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4066", "text": "Kaayaan urang tahun 2020 pas aya covid bener-bener sangsara, geus mah teu gawe rek meuli nanaon ge meni hese. Basa eta kaluar imah ge ulah, jeung mun arek kaluar ge kudu di masker. Loba karyawan anu di eureunkeun, biasana mun kaluar imah kot rame jelema anu rek garawe tapi pas aya covid mah jadi sepi. Urang geus neangan gawe kamana-mana meni hese, ges nyebar lamaran kamana-mana tapi eweh wae panggilan. Kuduna urang ti barang mimiti beak kontrak pas bulan januari teh neangan gawe buru-buru, mun urg nyaho bakalan aya covid pasti urang bakalan langsung neangan gawe. Urang kalah icing heula, jadi weh urang nganggur sataun eta teu gawe ngan bisa icing di imah. Lolobana icing di kamar bari leweh, ngahanjakalkeun hal anu penting nyaeta gawe. Mun teu gawe mah urang teh jadi teu boga penghasilan, teu bisa meuli nanaon rek dahar ge mani hese.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5240", "text": "Cara antisipasi supaya teu gagal dina tes SBMPTN. Nu kahiji nyaeta urang kudu diajar bener-bener, lobakeun latihan soal modelan SBMPTN. Bisa oge urang meuli buku latihan soal-soal supaya leuwih paham. Nu kadua, urang miluan bimbel SBMPTN. Biasana sok aya tempat bimbel nu nyiapkeun bimbingan latihan soal-soal SBMPTN, jadi leuwih disarankeun daftar bimbel wae supaya hasilna leuwih maksimal. Di bimbel mah aya tutorna, jadi mun aya nu eu paham tinggal menta penjeasan. Nu katilu nyaeta hindari kacurangan. Kacurangan jiga niron atawa ngabocorkeun soal teh mantak diskualifikasi peserta eta. Jadi, kade, tong ngalakukeun kacurangan sabab bisa ngarugikeun diri sorangan. Jauhan cara curang jeung licik, supaya urang bisa lolos tes SBMPTN na.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3360", "text": "Naha awéwé mindeng ka WC babarengan?\r\nménta pendapat ngeunaan penampilan na. Biasana awéwé indit ka WC pikeun dandan. Janten, anjeunna peryogi pendapat babaturanana. Naha semuna kandel teuing, lipstikna semu beureum, alisna asimétris, jeung sajabana.\r\nPeryogi bantalan. Awéwé henteu terang iraha aranjeunna mimiti haid, aranjeunna ngan ukur tiasa nebak. Sabot teu mawa handuk, sok menta ka babaturanana.\r\ngosip. Lamun datang rombongan, ari aya Siti, Lani, Lina, Ria, Ira, jeung Yanti. Siti jeung Lani téh réréncangan, nganggap batur ngan saukur babaturan. Siti jeung Lani bakal ka wc ngobrolkeun kakeuheulna jeung babaturanana, boh Lina, Ria, Ira atawa Yanti. Anjeun tiasa nyarios yén aranjeunna nyarioskeun hal anu kedah diungkabkeun sacara pribadi.\r\nNgarasa aman. Nalika aranjeunna nuju ka jamban umum kadang aranjeunna sieun yén lalaki asing bakal ngalakukeun nanaon ka aranjeunna. Komo deui lamun tempatna remen, jauh ti balaréa, loba preman, sepi, jrrd.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "635", "text": "Ngaprank kaleuleuwihi bisa wae nyieun batur cilaka nepikeun urang sorangan bisa cilaka. Siga kasus nu anyar nyaeta kajadian di underpass Kulur Kulon Progo nu nyebabkeun tilu korban. Kajadianna mimitina teh pas Tegar jeung babaturanna diuk di tembok underpass. Tuluy aya nu mere ide jang kejutan tepang taun ka Rian. Babaturanna ngadorong Rian ka walungan anu jerona teh 3 meter. Anu geuningan mah Rian teh teu bisa ngojay. Babaturanna milu terjun ka walungan jang mantuan, tapi maranehna kalakah miluan jadi korban. Sabab geus loba prank nu kaleuleuwihi nu ujungna mah ngabalukarkeun bencana jeung mala petaka. Sugan weh jadi pelajaran jang urang sarerea utamana para rumaja nu resep ngajailan babaturanana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8232", "text": "Jalma ngarasa sieun lamun dituturkeun ku urang asing sabab teu nyaho maksud jeung tujuan sabenerna jalma. Sieun ieu didorong ku rasa teu aman anu asalna tina ayana jalma anu teu dipikanyaho sareng teu diondang. Sajaba ti eta, sieun oge bisa dipicu ku rupa-rupa faktor kayaning pangalaman kaliwat nyeri atanapi ngadangu carita ngeunaan jalma anu geus korban kekerasan atawa kajahatan. Lamun hiji jalma ngarasa yen maranehna keur dituturkeun ku batur, ieu bisa memicu respon \"fight or flight\" dina awakna. Sieun ieu tiasa ngajantenkeun jalma langkung waspada sareng ati-ati dina lampahna. Nanging, upami kasieun ieu henteu diatasi, eta tiasa mangaruhan kasehatan mental sareng kahirupan sosial hiji jalma. Ku sabab eta, penting pisan pikeun ngatasi kasieun ieu sareng henteu malire parasaan anu timbul.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2544", "text": "Milgram nyieun pikeun hipotésis yén henteu daék maok nyaéta itungan logis tina harga sosial anu kedah dibayar nalika ngalanggar, contona éra, atanapi bahkan kamungkinan diserang sacara lisan atanapi sacara fisik ku jalma anu direbut, sareng tungtungna anjeunna masih kedah ngantri ti tukang. . Sieun anu sami ogé kajantenan ka jalma-jalma anu dicandak. Sababaraha urang ngawenangkeun diri jadi usurped pikeun nyingkahan kaributan mungkin, fearing serangan verbal atawa fisik ti intruder indomitable anu refuses ngaku kasalahan sarta balik deui ka tempatna, lajeng masih leungiteun giliran na. Wah, wah, ku kituna bisa dicindekkeun tina panalungtikan di luhur yén sacara umum jalma bakal ngarasa éra jeung hariwang pikeun luncat antrian, tapi dina kanyataanana, aya jalma anu masih putus asa pikeun luncat antrian.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7824", "text": "Lantaran nyimpen cumi jeung lauk dina kulkas, abdi teu nyadar yen eta bau hanyirna teh sumebar ka dahareun anu sanes anu aya di kulkas. Buru-buru kuring salametkeun eta dahareun tina kulkas sabari ngabongkar kulkas. Cara ngaberesihan kulkas supados teu bau hanyir mimitina kedah dicabut heula kabel kulkasna, tuluy kaluarkeun kabeh dahareun, nginuman, jeung sagala barang anu aya di kulkas, kaasup rakna. Sadiakeun cai haneut anu dicampurkeun sareng soda kueh dina mangkok, tiasa oge ditambihan sabun kanggo ngumbah wadah teras kulkasna dielap make busa. Lamun tos dielap sadayana tiasa langsung digaringkeun make elap anyar. Pastikeun bauna geus leungit sateuacan ngasupkeun deui dahareun kana kulkas. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7240", "text": "Pangalaman kuring kalayan didiagnosis kanker darah mangrupikeun salah sahiji anu paling pikasieuneun dina kahirupan kuring. Kuring terang aya anu salah nalika kuring mimiti ngarasa lemah sareng teu daya teu upaya. Kuring nyobian sababaraha tes, kalebet tes darah, sareng mendakan yen kuring ngagaduhan kanker darah. Kuring ngarasa sieun pisan sareng teu terang naon anu kudu dilakukeun. Kuring nyobian tetep tenang sareng mikir positip. Abdi kenging bantosan ti dokter sareng perawat pikeun mutuskeun cara anu pangsaena pikeun ngatasi masalah ieu. Abdi angkat ka dokter pikeun terapi sareng ngalakukeun sababaraha tes pikeun nangtukeun sakumaha parah panyakit kuring. Ieu mangrupikeun salah sahiji pangalaman anu paling awon dina kahirupan kuring.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "360", "text": "Urang kungsi tabrakan pas keur balik ti sakola bari ngabonceng babaturan urang. Harita urang mawa motor teh teu tarik, tapi aya motor anu ngagokan alhasil urang nabrak tukangna tuluy labuh. Urang dianteurkeun ka imah make motor nu ngagokan eta. Teu dianteurkeun ka rumah sakit jang dipariksa bisi aya patah tulang, tapi untungna teh teu kunanaon ngan awak garetihan. Tidinya kabar urang tabrakan teh geus nyebar di kelas, nepikeun babaturan urang pada ngalongok ka imah hayang apal kondisi urang sabab geus tilu poe teu asup sakola. Urang ngarasa sedih jeung teu berdaya ngulampreh dina kasur sabab masih nyeri bagian anu garetihan teh lamun awak digerakeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2578", "text": "Sanajan Rachel geus ménta hampura pikeun kasalahan dirina, Tom teu paduli sarta terus ngancam Rachel. Ayeuna teu ukur pengacara-Na, Tom ogé datang ka imah Rachel sarta ngancam lanceukna Rachel. Hal ieu ngajadikeun Rachel ambek pisan jeung kabiasaan Tom sarta ngalaporkeun anjeunna ka Pulisi. Tom, nu sok kabur ti pulisi, ngajadikeun Rachel jeung Kyle kudu tarung huntu jeung kuku kabur ngungudag Tom urang. Aktor Russel Crowe ogé maénkeun karakterna di dieu, sanajan basajan, anjeunna bisa nyieun panongton ngarasa sieun jeung tensi nalika nonton \"Unhinged\", ti menit kahiji nepi ka ahir. Kamacetan lalu lintas di ibukota mangrupikeun setting anu sampurna pikeun ngamangpaatkeun émosi anu teu stabil sareng dinten anu goréng, ngingetkeun urang pikeun salawasna ati-ati sareng sabar nalika di jalan, khususna nalika jalan macét. Kusabab urang pernah nyaho naha batur aya dina wanda pangalusna atawa henteu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2452", "text": "Kolaborasi MLBB x Beng Beng parantos diumumkeun sacara resmi sareng bakal masihan seueur hadiah sapertos kulit sareng inten gratis. Alesanana, ieu téh gawé bareng munggaran Mobile Legends jeung salah sahiji jajanan coklat pangalusna ti Indonésia. Ngarayakeun gawé bareng ieu, tangtu, rupa-rupa hadiah geus disiapkeun pikeun fans satia Mobile Legends: Bang Bang. Pikeun kéngingkeun inten sareng skin gratis tina MLBB x Beng Beng, tétéla anjeun ngan ukur kedah mésér bungkus Beng-Beng tina 3 édisi Mobile Legends.\r\nKu kituna, ieu cara lengkep pikeun anjeun bisa meunang hadiah skin jeung intan haratis ti Mobile Legends.x Beng Beng.\r\nDidatangan minimarket favorit anjeun atanapi supermarket\r\nMésér bungkus Beng-Beng tina 3 édisi Mobile Legends\r\nNéangan kartu epik sadia dina pak\r\nUpami anjeun untung, anjeun bakal kéngingkeun kode unik anu tiasa disilihtukeurkeun ku berlian atanapi kulit gratis anu parantos disayogikeun ku Mobile Legends.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9264", "text": "Keur ngarayakeun poé ahir ujian, kuring jeung babaturan meuli inuman, kira-kira sapuluh bungkus inuman. Kuring mawa kabeh inuman ka kampus, sabab babaturan kuring anu nyetir motor. Nalika kuring rék turun tina motor, ujung calana kuring nyangkut kana tapak sukuna, kuring murag di parkiran kampus. Jadi inuman anu kuring bawa ogé ngilu murag, peupeus, ngan ukur tilu bungkus anu pinuh keneh. Imbit kuring nyeri pisan waktos éta teh, tapi nyerina teu aya nanaon dibandingkeun ku érana. Sarerea jalma neuteup ka kuring, buru-buru kuring bangun ditulungan ku babaturan kuring. Kusabab kajadian eta kuring teu hayang make calana deui ka kampus, jadi ti harita kuring sok make rok mun ka kampus.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8522", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era nalika anjeun salah ngeja nami jalma. Narima yen salah ngucapkeun ngaran jalma geus ilahar sarta kajadian, sarta ulah jadi teuas teuing dina diri. Lamun nyebut batur ku ngaran salah, coba pikeun ngabenerkeun kasalahan anjeun dina cara alus tur sopan. Contona, ku menta hampura jeung ngenalkeun diri nu bener. Tong fokus teuing kana kasalahan anjeun sareng fokus kana interaksi anu lumangsung. Coba nyandak paguneman dina arah positif jeung senang. Entong hese teuing ka diri anjeun sareng cobian nyarioskeun kecap anu positip sareng ngadukung ka diri anjeun. Candak pelajaran tina kasalahan anjeun sareng cobian ulah ngulang kasalahan anu sami di hareup.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4298", "text": "Ekspresi reuwas lamun meunang hadiah teh jadi ekspresi paling natural jeung tulus. Jelema anu mere hadiah na pasti bakal ngarasa leuwih bungah ku sabab batur anu di bere hadiah na oge bungah, jadi ngasa teu sia sia nyiapkeun jeung mere hadiah teh. Ekspresi reuwas teu sangka teh hartina, jelema anu di bere hadiah teh tulus teu ngahareupkeun nanaon narima naon wae anu di bikeun, nunjukeun rasa antusias jeung bungah. Eta teh mere rasa leuwih bungah kanu merena kusabab ngarasa hadiahna di tarima dengan baik jadi teu ngarasa sia sia meuli na jeung pastina bakal ngarasa di hargaan jeung di hormati. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5669", "text": "Biasana mun budak leutik mah sok ngambek tanpa apal sebab na kunaon. Sok ngadadak ngambek kanu jadi kolot teuing pedah hal naon. Tah, nu kieu teh jadi salah sahiji ciri yen budak teh teu bisa ngedalkeun kahayang atawa maksudna. Sabab teu bisa ngakomunikasikeun kahayangna, jadi kolotna ge teu ngartieun naon nu dipikahayangna. Tah hal ieu nu micu budak ngambek teu puguh-puguh teh. Biasana ngambekna sok teu apak tempat jeung waktu, asal aya kahayang nu teu kedal, pasti we tuluy ngambek ka kolotna. Tidinya, salaku kolot kudu leuwih ngartikeun kahayang budak, leuwih mere pamahaman ka budak ngeunaan carana ngedalkeun emosi atawa cara komunikasikeun kahayangna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2992", "text": "Sababaraha tips mangpaat pikeun mantuan Anjeun nyingkahan konsékuansi mawa musibah lamun dituturkeun ku strangers.\r\n1. Ulah langsung ka imah\r\nAnjeun bisa jadi cornered bari nyoba megatkeun kana imah anjeun. Ogé, stalker bakal terang dimana anjeun cicing sareng tiasa ngantosan anjeun kaluar ti bumi atanapi uih deui engké.\r\n2. Sering eureun di tempat anu teu disangka-sangka\r\nMeuntas jalan meuli kopi. Nganjang ka babaturan di tempat gawé. Balanja di mall. Jieun rute anjeun sakumaha pajeulit mungkin. Ieu sakaligus bakal nyieun leuwih hese pikeun ngalacak anjeun sarta malah bisa discourage a stalker bosen eureun ngudag aranjeunna.\r\n3. Candak unggal kasempetan pikeun diajar penampilan pursuers Anjeun\r\nCoba diajar jalma nu ngudag anjeun bari nyoba tetep unnoticed. Tong geura ngalieuk ka tukang. Lalajo ngaliwatan jandéla jeung kaca spion mobil, giliran, jeung kasampak sabudeureun anjeun meuntas jalan. Upami anjeun mutuskeun ngalaporkeun kajadian éta, terang kumaha stalker sigana tiasa ngabantosan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7307", "text": "Dua kendi keramik anu dipanggihan di Desa Wonoboyo teu ngan saukur ngajieun warga panasaran hungkul. Saprak panimuan eta arkeolog ngayakeun panalungtikan di lahan taneuh milik Bu Cipto sarta disewa salila tilu taun. Samentara eta genep warga anu manggihan harta karun narima duit ti pamarentah salaku apresiasi. Saur Widodo, salah sahiji jalmi anu narima artos salaku apresiasi ti pamarentah mangsa waktuna teu lila, ngan dua bulan sanggeus kapanggihna panimuan eta. Artosna langsung dipasihkeun ku Pak Suharto (presiden harita) di Prambanan. Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan, kaungkap ku arkeolog yen eta harta karun teh mangrupakeun paninggalan ti Karajaan Medang (Mataram Kuno) dina abad ka-9.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8484", "text": "Di dieu aya sababaraha cara pikeun mantuan nungkulan parasaan geuleuh dina tetempoan hayam atah. Inpormasi ngeunaan kumaha hayam diolah sareng disiapkeun tiasa ngabantosan ngartos kumaha aman sareng bersih tiasa diproduksi sareng dikonsumsi. Fokus kana mangpaat gizi jeung rasa hayam salaku kadaharan, teu aspek anu geuleuh anjeun. Latihan visualisasi hayam atah salaku kadaharan siap masak sarta dilayanan bisa mantuan ngaronjatkeun persepsi jeung ngaleutikan parasaan geuleuh. Diajar kumaha masak hayam atah leres sareng mastikeun yén kadaharan anu dimasak aman sareng bersih pikeun didahar tiasa ngabantosan ningkatkeun persepsi sareng ngaleutikan parasaan geuleuh. Ku ngartos kumaha kadaharan anu leres diolah sareng disiapkeun, sareng ku fokus kana rasa sareng gizi dina dahareun, urang tiasa ngabantosan ningkatkeun persepsi sareng ngaminimalkeun rasa jijik pikeun hayam atah atanapi tuangeun sanes anu katingalina kotor.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6980", "text": "Basa nuju mapah di sisi jalan pas bade ka warung abdi ningal di peuntasan jalan aya hiji jalmi anu ngagoler di sisi jalan. Abdi mikirna manehna ngan tukang pulung anu biasa cicing di dinya tapi pas balik ti warung eta jalmi tetep aya di dinya. Lantaran panasaran abdi nyampeurkeun eta jalmi sabari mendakan yen manehna nuju gering tapi teu gaduh artos kanggo ka rumah sakit, manehna oge geus putus asa lantaran teu boga imah. Abdi langsung ngagaeroan sababaraha jalmi jeung nelpon ambulans supados anjeunna tiasa diubaran lantaran kondisina tos parah pisan. Abdi ngarasa sedih pisan ningal anjeunna anu cicing nyalira di sisi jalan, teu aya nu paduli ka anjeunna. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3366", "text": "Leungeun oyag di sakola tengah\nJanten kuring biasa janten jalma anu isin nalika nangtung atanapi muncul di masarakat. Kuring inget waktu harita, di kelas 2 SMP basa Indonesia, urang ditugaskeun pikeun nyusun kalimah warta sarta nepikeun ka hareupeun kelas siga nu maca berita dina TV. Ku kituna kuring ngaléngkah ka hareup jeung nangtung mawa salembar kertas nu ngandung kalimah warta kuring. Aya naon? Nalika kuring maca, leungeun kuring ngageter siga anu kaserang panyakit Parkinson. Ku kituna kabéh babaturan sakelas kuring diolok-olok ku cara ngocok kertas maranéhanana sarta maranéhanana senang seuri ka kuring. Rada loba sabenerna acara lianna. Tapi cukup ku kuring ngerakeun sorangan. Janten cekap..", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9556", "text": "Kagagalan dina kahirupan bisa dihartikeun salaku kagagalan pikeun ngahontal tujuan atawa harepan anu geus ditangtukeun. Ieu bisa lumangsung alatan sababaraha faktor, kayaning faktor internal misalna kurangna kamampuhan atawa kurangna usaha urang, atawa faktor eksternal kayaning kaayaan lingkungan anu teu ngadukung kana tujuan urang atawa tekanan ti batur. Gagal tiasa janten pangalaman nyeri, tapi oge tiasa janten pelajaran anu berharga sareng ngabantosan hiji diajar tina kasalahan sareng janten langkung kuat. Hiji pangalaman gagal bisa jadi mere urang rasa kasedih anu lumangsung lila tur mere rasa kapok pikeun nyobaan deui anu urang tuju. Tatapina, kagagalan oge mere harepan anyar pikeun urang nyobaan hal-hal anu anyar di luar anu urang tuju. Salian eta, urang jadi bisa leuwih ngarti deui naon anu kudu dilakukeun sangkan bisa ngahontal naon anu urang pikahayang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1035", "text": "Basa keur aya penlitian di salah sahiji kampus, urang dibere tugas jang neangan data di salah sahiji kampus. Indit ti imah teh sakitar jam 4 nepi ka kampus nu dituju teh sakitar jam 5. Kaayaan kampus sepi ngan aya petugas tata usaha nu aya di lantai tilu. Kabeneran urang can sholat Ashar, tapi mushola na teh aya di lantai 4 jeung posisina di juru. Sepi pisan suasanana, lampu-lampu kelas oge pareum, ngan lampu koridor nu hurung. Pas mengkol rek ka toilet jang wudhu, eta mah reuwas aya nu ngabelegbeg leumpangna tarik katinggali sakolebat. Urang langsung lumpat deui ka lantai tilu ku sabab sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2077", "text": "Kuring sakali ngagaleuh barang sanés kusabab kuring peryogina, tapi kusabab éta murah pisan. Waktu harita aya diskon gede (harbolnas) di shopee. Sareng kuring mendakan ieu, enya, terminal stop kontak ngan ukur Rp 99, enya teu nyampe Rp. 100 perak ge. Kuring meuli iseng weh sarta panasaran yen naha barang bakal dikirim atawa henteu. Saatos sababaraha dinten, barang sumping, sareng kuring langsung nyobian, naha éta tiasa dianggo atanapi henteu. Tétéla masih jalan. Nanging, sigana barang anu kuring kéngingkeun henteu lulus kontrol kualitas pabrik kusabab aya bagian anu cacad, wadahna / kandang henteu dipotong leres. tapi eta salah sahiji barang nu paling untung ker kuring dina harbolnas taun eta hehe.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3287", "text": "Abdi sering jengkel sareng hoyong nyiduh saatos nyikat huntu. Naon anu kudu kuring pigawé? Ieu parantos lumangsung mangtaun-taun sareng beuki parah. Meureun anjeun ngan alérgi wae. Naha éta hartosna produksi ciduh kaleuleuwihan saatos nyikat huntu? Kuring ogé sering sareng ieu kajantenan nalika kuring ngumbah sungut ku cai ketok ogé. Seueur faktor anu nyababkeun ieu, aya sababaraha inféksi, refleks awak ka sanyawa, sareng panyakit saraf. Upami anjeun henteu ngagaduhan gejala panyakit, hartosna éta ngan ukur refleks awak nalika nganggo odol. bisa jadi mereunann sababna jijik jeung geuleuh ka pasta odol nu anjeun pake di poe eta. kusababa kitu coba wae ganti pasta odol na nu matak moal ganti nyiduh deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "729", "text": "Geus omat-omatan ti baheula ge, mun maneh geus teu suka ka aing bebeja, ulah ditukangeun salingkuh. Eta omongan urang ka manehanana sabalik sakola, pas pisan dijemput ku urang saperti biasana. Ngan harita mah teu langsung nganteurkeun ka imahna, tapi belok heula jang ngomongkeun paripolah manehanana nu salila ieu geuningan teu jujur. Urang sabari nada tinggi nyarekan \"Neng, ari aing salah naon ka maneh? Nepikeun ka maneh salingkuh kieu. Pek bae ayeuna mah maneh jeung batur nu ku maneh nyaah, asal omat pisan engke maneh ulah nganyenyerikeun hate batur deui. Geus cukup hate urang nu dinyenyeri ku maneh mah. Maneh kudu jadi pribadi nu leuwih sae deui kahareupna sanajan henteu jeung urang\". ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8432", "text": "Lamun urang boga geuleuh pikeun hiji hal jeung hayang nungkulan geuleuh ieu, mangka urang teh kudu nyieun usaha tangtu. Kadang-kadang tungtutan gawe merlukeun urang nungkulan geuleuh kaleuleuwihan pikeun hiji hal. Contona teh nyaeta peternak sato anu unggal poe kudu ngurus tai sato. Lamun gagal ngungkulan rasa jijik anu dipiboga ieu, tangtu pagawean anu kudu dipilampah kalayan bener teh moal bisa dilaksanakeun sacara optimal. Anu kudu dilakukeun pikeun ngungkulan rasa jijik kana hiji hal nyaeta ngabiasakeun nyanghareupan eta geuleuh sacara langsung. Mimitina meureun ngarasa teu nyaman pisan. Tapi lila-lila anjeun tiasa ngabiasakeun eta supados anjeun henteu deui ngarasa geuleuh ku eta. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9175", "text": "Pun biang kacida pisan cerewedna lamun urusan kabersihan. Ari tugas kuring sapopoe nyaeta gegeroh. Lamun kuring keur gegeroh teh anjeuna teu weleh bari mapatahan itu ieu. Anu utamina anjeuna nyarios upami ngumbah wadah teh ulah dugi ka ambung keneh bau hanyir, margi anjeuna mah pangteresepna ngambung bau hanyir dina wadah. Upami anjeuna bade tuang, seug piring nu bade dianggona masih kaambung bau hanyir, anjeuna dugi ka teu cios tuangna. Kumargi kitu ku kuring diestokeun pisan panggeuingna, teu dilalaworakeun. Kantos sakali kuring ngumbah wadah rada rusuh da puguh sieun kasiangan mios ka sakola, atuuuh hasilna matak nguciwakeun. Ampir sadaya wawadahan kudu dikumbah deui da masih kaambung bau hanyir mangkaning tilas tuang sareng lauk cai. Ti dinya kuring teu wani wani deui sagawayah lamun ngalaksanakeun tugas.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2058", "text": "Hal anu paling hese anu kuring mendakan nyaéta ngamimitian nyimpen artos ti mimiti. Ieu sering ngajantenkeun kuring gagal pikeun nyimpen artos, kuring ngartos jalma anu boros. Nalika aya artos dina dompét sareng di bank, sok aya anu kuring hoyong mésér. , sanajan item ieu sagemblengna teu diperlukeun. Janten abdi nambung jang, salaku antek pikeun perusahaan parfum, éta penting pisan, réréncangan. Abdi di tim Bvlgari Aqva, hiji dinten abdi hoyong nyobian mésér buta (meuli tanpa bau seungit heula). pilihan murag kana Antonio banderas lalaki seduction biru. Edan euy, hargana ngan 180 rebu. Aqva 700 rébu. moal malah 1/3 tina eta. Wanci anjog. Ciri anu béda, ieu leuwih kawas Versace Man Eau Fraiche. Dina harga anu langkung handap. 180 rebu, langkung mirah tibatan ori reject/ori europe anu saleresna barang palsu !!!! langkung mirah tibatan parfum sajuta mantan, akhirna nabung jang meuli nu ori tapi akhirna meuli nu KW han tarnyata kualitas nya alus geuning ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4336", "text": "Urang teh salaku manusa kuduna bisa terus ngajalin atawa manjangkeun tali silaturahmi ka sasaha ka kabehan, eta teh geus jadi parentah ti jungjungan urang Nabi Muhammad. Dina silaturahmi teh loba pisan mangfaat na nyaeta bisa manjangkeun umur, aya rezeki lamun urang salawasna ngajaga silaturahmi. Urang na hayang manjangkeun silatirahmi papangih sasalaman deuket jeung ngobrol biasana. Tapi lamun ges lila lulus ti sakola bakal hararese, kusabab kabeh babaturan mencar kabeh komo anu ngarantau jauh satahun sakali oge can tangtu urang bisa manggihan. Ari geus di niatan rek papangih teh sok teu jadi wae, tapi kadang lamun teu di rencanakeun kalah ka papangih teu di haja. Lamun papangih teu di haja urang teh sok teu siap jadi reuwas da teu sangka tuluy geus kitu kakarek urang ngobrol.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2135", "text": "Pantes pisan yén dinten ayeuna kuring di-PHK (istilah anu saé pikeun PHK). Sanaos teu aya anu sapertos PHK anu saé, sanés? Ha ha. Panginten rébuan jalma parantos PHK kusabab kaayaan pandémik ieu. Kaasup kantor kuring digawé panungtungan, nu PHK rada sababaraha pagawé. Rasa? Sedih, kuciwa, asa teu aya gunana, da enya-enya mah geus puguh. Ti mimiti asup kana pandém, kuring parantos nyiapkeun skenario anu paling awon. Kuring disimpen hirup abdi. Kuring ogé mikir ngeunaan strategi naon anu bakal kuring anggo nalika waktuna pikeun kuring asup kana daptar PHK. Abdi hoyong bisnis online. Teu eureun didinya, kuring ogé ngamimitian dagang saham deui. Solely ambéh kuring bisa tetep earning jeung bisa nabung keur mangsa nu bakal datang (rencana nikah, didieu).", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9002", "text": "Dinten ayeuna shift padamelan abdi réngsé jam 10 wengi. Jarak antara tempat gawé jeung imah kuring teh rada jauh, biasana bolak-balik naék beus. Basa turun tina beus, jalan ka imah kuring teu sepi teuing, tapi pas asup ka jalan imah kuring jalanna teh sepi pisan, teu aya nu ngaliwat ka luar. Kuring ngarasa aya anu nuturkeun kuring di tukang, soalna kuring kadéngé jelas sora léngkahna. Kuring sieun pisan aslina mah, tapi kuring langkung sieun lamun anjeunna ngudag kuring upami kuring lumpat. Kuring nempo mini market, langsung weh kuring indit ka dinya. Kuring meuli sababaraha snack jeung inuman. Kuring ogé pura-pura akrab jeung kasir toko, sarta kuring ngabejaan manehna yen kuring keur dituturkeun ku urang asing. Nu manco neuteup sakeudeung ka warung. Ahirna kuring ngadagoan kasir bérés gawé jeung balik ka imahna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5695", "text": "Dina organisasi nu diiluan na, Deni kabagean jadi kepala seksie operasi nu tugasna nyieun perencanaan kagiatan tina sagala rupana. Harita pas pisan Deni nuju KKN oge, jadi jarang ngiluan rapat, ngan emang ai pagawean na mah geus dicicil. Pas miluan rapat di sekre, Deni nyampaikeun perencanaan kagiatan, tapi nyatana geuning nu dibahas teh lain rencana meunang Deni. Jadi pas Deni euweuh teh pagaweanna geus dibereskeun ku batur, ngan teu bebeja heula ka Deni. Jadi sagalana teh miskomunikasi. Deni meuni keuheul ka kabeh babaturanna sabab sangeunahna mutuskeun perencanaan tanpa mere nyaho Deni. Deni asa teu dianggap pisan didinya, mantak mutuskeun we jang kaluar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2230", "text": "Salah sahiji kasedihan ker anjeun tinggal sorangan teh nalika anjeun gering, anjeun tetep kedah mandiri. 2x kuring gering, kahiji kuring gering salila 3 poé. Abdi leres-leres kedah istirahat lengkep di bumi. Kuring gering tina dahareun, naha beuteung teu pas atanapi awak teu séhat. Kuring kapaksa istirahat ranjang kusabab kaayaan awak anu lemah. Nini mah aya kalana mariksa kaayaan kuring jeung mawa dahareun. Tapi kuring teu bisa terus ngaganggu nini. Kuring maksakeun awak bangun terus ka dapur. Kuring masak sup pikeun kuring keur dahar beurang sarta dinner. Nu penting mah aya kadaharan nu bisa didahar. Waktu harita can aya Gofood jrrd, jadi suka atawa henteu, kuring kudu masak sorangan. Kadua kalina kuring gering saméméh lebaran taun 2015. Kuring gering alatan kabiasaan kuring jarang dahar sahur. Abdi ngan ukur tuang 7 tuang sabulan, sareng nalika buka puasa kuring ngan ukur tuang lontong sareng jajanan sanés. Waktu éta kuring bener-bener teu kuat. 5 dinten sateuacan Idul Fitri, kabeneran rerencangan abdi hoyong nganter ka Klinik.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2838", "text": "Istilah sieun panggung pasti geus teu asing ka anjeun atawa meureun anjeun malah geus ngalaman. Dina istilah médis sieun disebut kahariwang sosial (Social anxiety) anu disebut ogé fobia sosial. Dokter Spesialis Psikiater RS ​​Omni Alam Sutera Tangerang, Dr Andri SpKJ FACLP, nyebutkeun yén tahap sieun panyakit geus ilahar pikeun sababaraha urang, sanajan dina kaayaan goréng pisan mangaruhan kaséhatan méntal. Numutkeun penjelasan dr. Andri, gejala kahariwang sosial dicirian ku munculna sababaraha kaayaan, boh sacara fisik boh psikologis. Di antarana aya benjolan dina tikoro, késang, awak oyag, jantung mindeng ketukan gancang, tegangan otot, sarta nyeri. Ceuk Andri, jalma anu boga kahariwang sosial ogé mindeng ngajauhan jalma anu dianggap leuwih luhur ti dirina, sanajan éta jalma masih kulawarga.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "674", "text": "Ku rasa reuwas biasana nu hamil nepikeun ka bingung kudu iraha ngajalankeun pemeriksaan kahamilan pas mimiti. Lantaran pemeriksaan kahamilan teh penting pisan dina nangtukeun kasehatan indung jeung janinna. Alusna pemeriksaan kahamilan teh kudu dilakukeun geura-geura saenggeus test pack nu nunjukkeun hasil positif. Hal ieu oge lumaku jang awewe nu geus sababaraha kali ngagunakeun test pack jeung sok meunangkeun hasil positif dina tiap pengujian. Soalna di masarakat aya anggapan mun pemeriksaan kahamilan teu kudu dilakukeun geura-geura, alesanna mah nungguan heula janin bisa katinggali pas dipariksa ngagunakeun USG. Padahal anggapan eta salah, ieu malah nu bisa ngabahayakeun indung jeung janinna. Sabab pemeriksaan mimiti teu ngan saukur gunana jang ngonfirmasi kahamilan, tapi gunana oge jang nganilai kaayaan jeung lokasi janin.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4360", "text": "Momen ulang tahun keur satiap jelema rupa rupa, aya anu nyambut rek ulang tahun teh senang heboh rek ngajieun pesta ulang tahun aya oge anu leuwih resep sunyi cicing sepi dina ngamaknaan ulang tahun atawa pertambahan umurna. Biasa na semakin kollt umur jelema na leuwih jadi teu resep karamean leuwih milih sunyi jeung berdoa lamun di rayakeun oge paling saukur jeung kulawarga deukeutna hungkul. Beda jeung jelema anu ngora keneh komo lamun rumaja ABG pasti hayangna ngajieun pesta ulang tahun anu rame ngondang kabeh babaturan na. Rumaja nganggap yen ulang tahun teh momen anu wajib di rayakeun, matak lamun surprise oge lamun rumaja keneh mah sok heboh rame jeung niat pisan , ngalakuleun suprose peuting keneh jam 00:00 sangkan reuwas jeung bungah anu ulang tahun na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6340", "text": "Basa nuju kumpulan reuni jeung babaturan SMP, abdi datang sosoranganan da euweuh nu ngabaturan. Sapanjang acara teh abdi ngaregepkeun caritaa batur we bari ngarasa bangga ka babaturan abdi nu berhasil. Pas bagean abdi ngobrol, eh abdi teu kuat pisan hoyong bobos. Ku abdi teh ditatahan tapi angger teu katahan. Ai brot teh sorana tarik pisan, batur kabeh nepi ka ngaralieuk ka abdi bari seuri. Nya geus mah tarik sorana, eh bauna ge nyelebreng deuihan ka kabehan. Aduh abdi isin kacida harita teh da nyaan na ge, mun umang mah geus hayang ngelok we kana imahna. Untungna nu lain teu nganggap serius, jeung ngan ngangap angin lalu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3407", "text": "Teu bray tapi kapaksa ngaku sabab dipojok. Kaayaan di kolong KKN. Sagala rupa babaturan ti universitas sarua ngumpul babarengan. Dina awalna kaayaan KKN aman tur tengtrem tapi lajeng robah jadi kahariwang. Hiji-hiji barang mimiti leungit jeung duit komo duit gabungan keur KKN oge leungit. Dina hiji poe, balik ti kota, manehna mawa loba pisan oleh-oleh jeung oleh-oleh. Ditanya timana asal-usulna, ngan cenah meunang rejeki. Ku rasa hariwang lantaran loba barang anu leungit, babaturan ngadahar cinderamata anu dibawa Klepto. Isukna salah saurang babaturan nu kenal ka si klepto ngadadak nyarita kabeneran yen si klepto teh sabenerna loba kasus 'malingan' di kampus. Tanpa pikir pupuhu ngumpulkeun sakumna anggota. Jeung interogasi hiji-hiji. Aranjeunna kumpul pikeun babagi jeung diskusi. Ku kituna si klepto dijurungkeun sangkan nyarita anu bener. Tungtungna anjeunna jujur ​​sarta ngomong yén haténa moal tenang lamun teu shoplifting.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1075", "text": "Sieun kaleungitan pagawean pas dicarekan ku atasan di tempat pagawean, utamana mun ngarasa yen kasalahan atawa tindakan nu ku urang lakukeun teh bisa mangaruhan pagawean urang jeung reputasi urang di tempat gawe. Tapi aya sababaraha cara jang mantuan mengatasi rasa kasieun ieu. Urang bisa nanya ka atasan atawa babaturan gawe sacara berkala ngeunaan kinerja jeung proyek nu ku urang gawean. Pas urang ngalakukeun kasalahan atawa tindakan nu bisa mangaruhan pagawean urang, alusna urang ngaku kana kasalahan eta jeung ngarengsekeun maslaah. Ulah ngahindar tina tanggung waler jeung berusaha ngarengsekeun masalah sagancang-gancangna. Daripada ngarasa sieun kaleungitan pagawean, gunakeun kasalahan eta jang peluang diajar oge berkembang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7007", "text": "Ti leleutik abdi tinggal sareng nini lantaran mamah jeung bapa tos teu aya. Abdi hirup di kampung anu jauh ka mamana. Lamun bade ka sakola, puskesmas atawa pasar kedah numpak kolbak heula, eta oge ngan aya dua hari sakali. Hirup di kampung hese pisan. Poe ieu nini tos pupus lantaran teu tiasa dibawa ka puskesmas. Abdi sedih pisan, teu aya deui sasaha di kampung ieu janten abdi mutuskeun kanggo ninggalkeun ieu kampung jeung kabeh caritana. Abdi angkat ka kota sorangan, teu kenal sasaha di kota anu badag ieu. Teu apal kedah ka mana sabari milarian gawe sabari milarian info kanggo kuliah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6871", "text": "Salah sahiji hal anu kedah janten rasa syukur nyaeta nalika urang tiasa papanggih jeung babaturan anu tiasa narima urang ku kaluewihan jeung kakurangan urang lantaran beuki gede mah babaturan teh beuki saeutik. Basa kuring nuju seeur masalah, pasti aya hiji dua rerencangan kuring anu maturan kuring di mana wae jeung iraha wae. Lamun nuju gaduh waktos anu rada seeur, abdi sok ngobrol jeung rerencangan, sanes ngomongkeun batur tapi ngomongkeun masalah urang sorangan. Balik kumpul jeung rerencangan teh pasti janten sumanget deui. Hiji dinten, abdi nuju cape pisan lantaran seeur gawean, lembur jeung loba tekanan ti atasan. Balik ka kosan tos aya rerencangan anu mawa dahareun jeung nyiapkeun kue kanggo ngarayakeun ulang taun kuring.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1432", "text": "Telat pas datang ka hiji acara pertemuan, urang mindeng ngarasa era. Tapi biasana urang ngalakukeun sababaraha cara ngameh bisa nyanghareupan pangalaman era eta. Mimiti penting jang tanggung waler lantaran geus telat, jadi urang wajib menta hampura sacara tulus. Ieu ngameh ngurangan rasa tegang jeung ninggalikeun mun urang ngahargaan waktu jeung kesempatan batur. Tuluy coba jang ngajaga sikap jeung paripolah nu sopan jeung santun salila acara. Hal ieu bisa mantuan urang nunjukkeun mun urang masih merhatikeun jeung ngahargaan batur nu hadir, sanajan telat. Geus kitu urang kudu diajar tina pangalaman telat eta. Misalna bisa mariksa jadwal atawa kendaraan nu bakal digunakeun saacanna, atawa mere waktu anu ekstra jang nyiapkeun atawa perjalanan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8516", "text": "Hiji poe, saurang nonoman ngaranna Adam keur ngobrol jeung babaturanana di sakola. Ujug-ujug, manehna nempo batur anu manehna kenal jeung hayang ngucapkeun salam. Najan kitu, basa manehna sala nyebut ngaran babaturanana. Anjeunna pisan kaliru jeung teu nyaho kumaha carana ngabenerkeun kasalahan na. Manehna ngarasa era pisan jeung teu hayang papanggih deui jeung jalma nu salah nelepon deui. Saban ningali jalma ieu, anjeunna ngarasa kagok pisan sareng teu tiasa komunikasi kalayan leres. Ahirna, sanggeus sababaraha poe, Adam mutuskeun pikeun menta hampura jeung nebus kasalahan. Anjeunna nyauran jalma eta ku nami anu leres sareng hapunten tina kasalahanana. Lalaki eta tetela bageur pisan sareng ngahampura Adam. Adam diajar yen nyauran jalma ku nami anu salah tiasa ngerakeun pisan sareng nyababkeun masalah. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1390", "text": "Harita pas urang muka kulkas jeung manggihan dahareun nu geus busuk oge bauna teu ngeunah, urang ngarasa geuleuh jeung teu nyaman. Rasa sieun jeung mual oge muncul dina diri urang pas urang mikirkeun bau jeung rasa dahareun nu geus tercemar ieu. Urang oge ngarasa kuciwa ka diri urang sorangan lantaran geus ngantepkeun dahareun eta lila teuing dina kulkas. Urang mutuskeun jang ngaberesihkeun dahareun nu busuk ieu ku cara nyokot sarung leungeun jeung miceun dahareun nu geus ruksak oge beracun ieu. Ti saprak eta urang mikir leuwih alus jang mastikeun kadaharan henteu kapiceun sacara sia-sia. Urang mutuskeun jang meuli bahan dahareun anu seger jeung sehat, nu bisa ku urang gunakeun jang masak dahareun nu ngeunah oge bergizi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "345", "text": "Saloba 120.643 siswa dinyatakeun lulus Seleksi Nasional Perguruan Tinggi Negeri (SNMPTN) 2022. Jumlah ieu ngan 20 persen ti jumlah pendaftar sakabehna nyaeta 612.049 orang. Ketua Lembaga Tes Masuk Perguruan Tinggi Negeri (LTMPT) Mochamad Ashari menta ka mayoritas pendaftar nu gagal ngameh teu menyerah. Maranehna masih bisa neangan cara sejen. Masih aya jalur sejen jang asup PTN. Bisa ngaliwatan UTBK SBMPTN nu ayeuna keur dibuka, atawa engke Seleksi Mandiri. Saacanna, LTMPT geus ngarilis daftar siswa nu berhasil lulus ujian SNMPTN 2022. Dina Total nu daftar nyaeta 612.049 siswa, nu dinyatakeun lulus ngan 12.643 siswa hungkul. Dina jumlah eta, siswa ditarima di pilihan 1 saloba 109.276, ditarima pilihan 2 saloba 11.367, jeung ditarima make KIP Kuliah 35.570.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5288", "text": "Masa kuliah abdi kenging beasiswa bidikmisi. Sadaya pembiayaan ditanggung beasiswa, dugi ka uang saku nu nominalna lumayan ageung. Masa kuliah, uang beasiswa eta teh ku abdi sapalih dipasihkeun ka orang tua, sapalih deui jang biaya hidup sapopoe. Abdi ngarasa kaduhung sabab teu mikiran kauangan jangka panjang. Harita abdi teu mikiran jang nabung, ngan mikiran supaya cukup jeung sapopoe. Karasana ayeuna, abdi tos lulus, teu nampi deui beasiswa, teu gaduh tabungan, hese milarian damel, bingung kedah kumaha. Tah tong dugi hal ieu kaalaman ku baraya. Urang kudu sadar ti awal bahwa manage kauangan teh penting dilakukeun pisan jang masa depan urang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9522", "text": "Rasa bagja saatos ditampi di universitas impian anjeun biasana sesah dijelaskeun ku kecap. Meureun ku aya loba emosi anu nyampur kayaning rasa longsong, kabagjaan, bangga, jeung emosi anu mawa urang kana euforia kabagjaan. Perasaan kasenangan ieu sigana sapertos naek roller coaster tina emosi anu luhur, kalayan puncak kabagjaan anu teu aya tungtungna. Meureun aya rasa reueus dina diri sorangan sabab usaha anu geus dipigawe jeung diusahakeun sajauh ieu geus terbayar kalayan hasil nyugemakeun. Rasa kasenangan ieu oge tiasa janten langkung nikmat sabab sukses ngahontal hiji hal anu diimpikeun salami lami. Rarasaan kasenangan ieu oge tiasa karaos langkung bermakna sabab eta mangrupikeun lengkah anu penting dina perjalanan hirup.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2501", "text": "Sarerea geus ngadéngé babandingan antara odds meunang lotre jeung acara langka sejenna, kawas keur struck ku kilat. Mémang, kasempetan pikeun meunang hadiah utama lotre leutik pisan. Ngitung Chances meunang Grand Prize\n1. Ngartos itungan anu dilakukeun. Kamungkinan meunang lotre anu nomerna ditarik tina sakelompok nomer, henteu paduli urutan, tiasa dihartikeun ku rumus {\\displaystyle {\\frac {n!}{r!(n-r)!}}}{\\frac { n!}{r!( n-r)!}}. Dina rumus ieu, n nyaéta jumlah angka nu bisa dipilih jeung r nyaéta jumlah angka nu kaluar. Tanda \"!\" nuduhkeun faktorial, nyaéta pikeun unggal integer n nyaéta n * (n-1) * (n-2) ... jeung saterusna nepi ka ngahontal 1. Contona, 3! nyaeta {\\displaystyle 3\\times 2\\times 1}3\\times 2\\times 1.\nPikeun conto basajan, ngabayangkeun nu kudu milih dua angka ti 1 nepi ka 5. Kamungkinan milih dua nomer \"bener\" (nu angka kaluar)\nKu kituna, odds pikeun meunang kaulinan ieu téh 1 dina 10.[1]\nItungan faktorial tiasa sesah, khususna pikeun angka anu ageung. Kalkulator umumna ngagaduhan fungsi faktorial pikeun ngagampangkeun itungan. Alternatipna, Anjeun bisa ngetik faktorial kana Google (misalna \"55!\") tur meunangkeun jawaban.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5234", "text": "Di pertandingan Porprov 2022, abdi gagal mawa uih medali. Abdi ngarasa teu berguna pisan. Latihan salami dua taun teh asa sia-sia teu aya hasilna. Abdi tadina optimis bakal kenging perunggu di semifinal. Tapi kanyataan na lain, tim abdi eleh ku tim lawan. Abdi ceurik harita pisan pas hanjat ti lokasi lomba. Rasana meuni sedih pisan handeueul teu kenging medali hiji-hiji acan. Usaha abdi teh rarasaan mah tos maksimal tapi naha hasilna jiga kieu. Asa dihianati ku hasil we proses salila ieu teh. Tapi da geus teu bisa dikukumaha deui. Abdi tuluy balik we ka mess bari awak leuleus jeung sedih.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1020", "text": "Fobia sosial mangrupakeun salah sahiji jenis fobia nu ditandaan ku rasa sieun kaleuleuwihi pas ngobrol jeung batur di sabudureun urang. Sanajan jelema teh makhluk sosial, tapi aya sabagian jelema mibogaan rasa kasieun pas kudu ngobrol atawa mun keur di tempat umum. Hal ieu teh sabab rasa hariwang atawa sieun mun diperhatikeun, dipeunteun, jeung dikritik ku batur. Penderita fobia sosial oge bakal ngarasa sieun mun ngalakukeun hiji hal di hareupeun umum lantaran hariwang batur bakal ngera-ngera atawa ngahina kana naon nu ku manehna lakukeun. Ku sabab kitu, penderita fobia sosial cenderung ngahindar mun panggih atawa keur babarengan jeung batur salian ti kulawarga. Jadina teh hese meunangkeun babaturan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5689", "text": "Di Amerika, isu warna kulit teh jadi hal nu saolah lumrah, rahasia umum. Teu jarang orang kulit hideung meunang diskriminasi ti orang kulit putih. Hal ieu teh terjadi dina sagala aspek kahirupan. Orang kulit pitih nharasa manehna nu paling mantes, mandang orang kulit hideung teh jiga nu euweuh gunana. Bahkan, dina pelayanan publik ge sok dibedakeun, mana jang kulit putih mana jeung kulit hideung. Dominasi warga berkulit putih dina kakuasaan ge nunjukkeun yen golonganna nu boga kakuasaan di daerahna. Padahal teu bisa jiga kitu sabab hirup mah berdampingan. Jeung padahal orang asli Amerika teh kan kulit hideung, tapi eleh ku politik penguasa nu dilancarkeun ku orang berkulit putih.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "732", "text": "Mengbal biasana nu sok rada riweuh mah, babari emosi. Pangpangna tensina anu tinggi komo deui mun lawanna teh kampung gigireun nu geus jadi musuh bubuyutan. Di babak pertama mah sabenerna biasa wae tensina, malah kampung urang katinggaleun skor 2-1. Tapi di babak kadua skorna jadi malik 2-3. Tensi pertandingan beuki naek. Tah aya salah sahiji pamaen nu ku urang di sleding, manehna teu narima jol nonjok urang nu keur kaayaan tungkul da geus nyeleding. Urang teu narima ditonjok sabab wasit pas nyeleding ge eta wasit teu nganggap pelanggaran. Didinya parea-rea omong heula tuluy renyek di tengah lapangan gelut, da teu narima urang ditonjok ku pamaen lawan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5639", "text": "Sakabeh awewe ge pasti ngarasa jengkel pisan mun ningali suami atawa pasanganna salingkuh. Kabeh awewe pasti hayang jadi nu hiji-hijina, lain salah sahijina. Alim pisan mun kanyaah jeung kameumeut perhatian pasanganna dibagi dua. Kadang mah awewe sok leuwih nekad mun geus disalingkuhan ku pasangannana, pasti kawanina bakal dikedalkeun kabeh ngaliwatan rasa jengkelna. Ulah nepi ka ngalakukeun hal salingkuh, sabab bakal fatal pisan akibatna. Kapercayaan nu dibangun teh bakal moal aya deui jeung moal bisa dibeunangkeun deui. Rata-rata awewe mah mun sakali disalingkuhan teh moal mantak ngemis deui ka pasanganna, pasti bakal milih sorangan atawa neangan lalaki nu dumuk leuwih hade.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4313", "text": "Tujuan heureuy dina prank bisa barubah jadi masalah jeung emosi lamun urang ngalakukeun na kaliwatan. Prank oge biasa na ngalibatkeun jelema anu ges deuket ka jelema anu rek di prank na jadi siga kerja sama, jadi jelema ieu bisa ngukur batasan dina prank na. Kusabab prank bisa jadi masalah gede lamun teu tepat, bisa pasea kusabab emosi jeung keheul anu ngahiji lamun di tutuluyan bisa jadi pasea. Lamun jelema na embung ngartikeun jeung maapken bisa panjang urusan na. Prank anu tujuan asli na rek ngahibur rek ngareureuwas bari heurey seserian bisa barubah jadi masalah emosi jeung ambek ambekan. Matakna kudu inget samemeh urang rek prank batur kudu apal kondisi jeung situasi na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4386", "text": "Teu gampang pikeun nanemkeun kabiasaan ngantri ka warga nagara Indonesia, perlu aya sosialisasi jeung edukasi di masarakat ngeunaan budaya ngantri, kadang budaya ngantri sorangan diremehkeun. Lumrahna, budaya ngantri bisa diterapkeun ka hiji jalma nalika budak leutik atawa geus dewasa. Kabutuhan pikeun pamahaman pentingna prioritas kapentingan umum leuwih diri. Eta sababna budak leutik kudu biasa ngantri ti leuleutik. Aranjeunna kedah diajarkeun ngeunaan simpati sareng empati ka batur. Kabiasaan ieu tiasa diajarkeun ku cara ngalaksanakeun langsung di fasilitas umum. Ku cara kitu, budak leutik bakal biasa ngantri nepi ka dewasa ieu anu ngaran ngawangun hiji kabiasaan. Memang urang Indonesia masih butuh proses anu lumayan lila pikeun ngabiasakeun budaya ngantri, tapi lain hartina teu bisa kabiasa. Urang ngan kudu ngabiasakeun jeung boga kawani pikeun negor saha wae nu norobos antrian, salila uranggeus bener teu salah oge lamun urang ambek lamun antrian di sorobot sangeunah na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3295", "text": "Seueur pisan konsép pikeun ngirangan tumpukan runtah di TPA, tapi prasarana sareng pola pikir masarakat di nagara urang henteu acan ngadukung. gunakeun, angkot, miceun\", pikeun misahkeun runtah. antara B3 organik, anorganik jeung rumah tangga, hese menta ampun, sanajan geus dipisahkeun, pas gerbong atawa treuk sampah dicokot, tungtungna. ngumpul deui... cape...dehhhh....Oke...hayu atuh masyarakat mah pinter ngapisahkeun runtah, geus bisa nu mana.organik,mana anorganik,mana B3 rumah tangga, soalna saha nu ngatur. runtah anu dipisingkeun??, diurus sorangan atawa diserahkeun ka pihak ka 3??, ok.. hayu urang teruskeun, anggap we urang bisa ngokolakeun runtah sorangan, piraku rek dilakonan?? pasti aya wae, alesanna mah tiap bulan teh tos masihan mayar ka pengelola runtah, naha repot sareng cape. 2 pikir, nu penting kuring geus mayar tur imah kuring kudu beresih tina runtah...", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5246", "text": "Basa nuju alit, di bumi bibi teh aya ucing nu lucu pisan. Warna na abu-abu, buntutna panjang, buluna kandel, ukuran awakna leuwih gede ti ucing biasa. Buluna paranjang pisan ieu ucing teh. Parab na ge sok dipasihan parab kemasan wae, tara dipasihan pindang, lauk, jeung sajabana. Hiji poe, abdi iseng nyapeurkeun ucing nu keur sasarean dina korsi. Eta ucing teh ku abdi diusapan beueungna, tuluy diusapan tonggongna. Tah pas ngusapan beuteungna, jol ucing teh nyakar jeung ngegel kana tangan. Tapak cakaran na teh meuni panjang loba getihan. Abdi ngarasa reuwas pisan harita, teu nyangka bakal dicakar. Abdi ceurik jejeritan da sabab nyeuri pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6934", "text": "Masih keneh sedih lantaran teu katarima beasiswa LPDP. Abdi masih keneh aya semangat kanggo nyiapkeun beasiswa anu sanes. Abdi ngarep pisan tiasa katarima beasiswa GKS. Matak persiapan na oge langkung beurat lantaran abdi kedah nyiapkeun diajar bahasa Korea. Abdi ngadatangan Kementrian kanggo persiapan dokumen jeung sajabana anu seeur pisan jeung kedah ngaluarkeun artos anu teu sakedik. Saatos sadaya dokumen siap, abdi langsung ngirimkeun berkas-berkas kanggo pendafataran ka Kedubes Korea Selatan di jakarta. Sadayana lancar pisan nepi ka abdi dites wawancara, tapi cita-cita kuliah di luar negeri kedah pupus lantaran hasil medikal check up abdi teu lolos janten abdi teu jadi angkat.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2202", "text": "Lamun ngobrol ngeunaan bersyukur, éta pasti bakal ngakibatkeun hal alus, nu, sanajan teu jadi sampurna, patut bersyukur pikeun. Sanaos henteu ngan ukur dugi ka éta, sabab pangalaman goréng anu anjeun alami éta leres-leres kedah disyukuri sareng henteu kedah disesali, anjeun terang.\r\n1. Dihianat ku jalma anu paling dipercaya\r\nNgalaman kuciwa anu jero kusabab dihianat ku jalma anu paling dipercaya ogé mangrupikeun salah sahiji pangalaman goréng anu leres-leres henteu kedah kuciwa. Kusabab ku pangalaman éta anjeun diajar pisan ngeunaan cara milih jalma anu anjeun percanten, anu langkung dewasa sareng wijaksana dina nempatkeun kapercayaan anjeun ka batur.\r\n2. Ngagaduhan seueur tekanan dina padamelan\r\nPangalaman goréng séjénna nya éta anu lumangsung di tempat gawé, nya éta nalika loba tekanan ti sagala rupa pihak. Ieu teu bisa dihindari, sarta anjeun kudu stress atawa malah menyakiti ku tekanan maranéhanana. Tapi yakin yén éta bakal dewasa pikeun ngajantenkeun anjeun langkung kuat di hareup.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5605", "text": "Basa nuju ngaberesan bumi kosong bekas dicicingan ku pun nini, abdi penasaran kana jero gentong badag nu diantep wae dina pipireun imahna. Beres beberesih, abdi tuluy nyampeurkeun eta gentong, ditoongan jerona jiga aya barang nu ditutupan ku tumpukan taneuh. Sabab sieun aya oray, abdi langsing we meupeuskeun eta gentong make batu badag. Geus peupeus, ku abdi langsung diberesihan taneuhna. Abdi reuwas pisan sabab dijero taneuh na teh aya bingkisan kain bodas. Ku abdi dibuka we kain na, eh eusina teh kalung jeung koin jaman baheula nu geus teu katingali gambarna. Duh rupa-rupa wae ieu barang teh. Tuluy ku abdi diberesihan we dikumbah make cai. Geus beresih tuluy disimpen dina lomari tukang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3395", "text": "Naha upami anjeun éra upami jalma sanés terang hutang anjeun? Jujur, kuring sok éra upami aya anu terang upami kuring ngagaduhan hutang. Tapi beuki lila, kuring sadar yén babaturan kuring ogé boga hutang, komo deui. Kuring sadar yén hal anu penting nyaéta upami anjeun gaduh hutang, anjeun gaduh panghasilan anu cekap pikeun mayar éta. Tapi tangtosna anu pangsaéna nyaéta upami anjeun henteu ngagaduhan hutang, janten urang bakal nampi gaji pinuh. Tong isin, masalah dina kahirupan mangrupikeun bungbu dina kahirupan! Jalma sejen oge kudu nyaho, unggal jalma boga masalah sorangan béda, ngan saukur kumaha carana ngatur masalah ieu bijaksana & alus.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "737", "text": "Ambeuk lantaran diteungeul ku sapu nyere pas urang keur ulin. Awalna urang ulin maen PS di salah sahiji rental PS. Tuluy indung nitah balik ku sabab kudu ngajagaan warung, urang nu embung ngajagaan warung teu diwaro titahana teh. Teu lila indung ka tempat rental PS bari mawa sapu nyere sabari molotot ngagebug urang nu keur maen. Lantaran urang era jeung can beres maen PS na jadina urang ngalawan bari ngajorowok. \"Engke heula atuh, da ieu ge sakeudeung deui beres\" Urang ngomong. Tuluy ditembalan ku Indung ku nada anu luhur \"Buru siah, bisi si bapa kaburu balik gawe. Pan mamah teh kudu nyiapkeun kadaharan jang bapa maneh!\" \"Atuh bisa meureun tong make neunggeul make sapu sagala!\" Tembal urang bari ngaleos balik ka imah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4368", "text": "Harta karun nyaéta sajumlah loba harta atawa barang anu ngabogaan harga jual anu luhur anu disumputkeun atawa kaleleup biasna dina jero bumi anu asal-usulna teu dipikanyaho. Kata harta karun mimiti di pake awalna nyaeta tina carita nak anak nabi adam nyaeta qorun jeung qarun. Harta karun teh loba jinis na, aya anu bentukna emas, berlian atawa parhiasan atawa bisa oge barang barang paninggalan jaman baheula naon wae, pokona anu ngabogaan harga jual anu luhur atawa mahal. Di indonesia soragan urang mineng ngadenge yen ya batur anu mangghihan harta karun. Biasana harta karun di timukeun di tempat anu heuteu bisa di tebak, jadi jelema anu manggihan na pasti reuwas jeung asa teu percaya.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "642", "text": "Aya kawinan babaturan di Bogor jadi urang naek beus geus jangjian jeung babaturan rek naek sabeus. Tapi urang katinggaleun beus untungna teh beusna acan asup ka tol. Urang sabari kontekan jeung babaturan nu geus di jero beus nanya posisina dibelah mana. Oge urang nitah dulur urang ngajalankeun motorna sing tarik. Hate mah rada dagdigdug sieun beusna kaburu asup ka tol sedengkeun lamun urang naek deui nu jam sejen mah bakal moal kaburu. Untungna teh si beusna pas di gerbang asup tol eureun heula sabari ngakutan penumpang nu geus cicing didarinya, jadi weh ku urang ka udag. Urang buru-buru turun di tukangeun beusna tuluy naek bari awak rada leuleus ku sabab sieun katinggaleun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7247", "text": "Prank Rafathar ka Raffi Ahmad teu ereun di dinya, pas Rafathar geus gede, manehna oge ngahereuyan deui Raffi. Prank nu ieu mah dibantosan ku sadaya jalmi anu aya di bumi Raffi, nyaeta Rafathar anu kakonci dina kamar cai. Supados siga beneran, Rafathar ceurik teras sorana direkam tuluy disetel dina speaker anu disimpen di jero kamar cai. Di jero kamar cai oge tos aya dua jalmi anu bakal bobodoan ngagedor panto janten Rafathar anu menta ditulungan lantaran kakonci di jero. Pas geus dimulai, Lala langsung ngageroan Raffi sabari panik, bejana Rafathar kakonci di kamar cai. Raffi langsung reuwas tuluy lulumpatan ka kamar cai bari mawa palu kanggo ngabongkar panto. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3250", "text": "Toilét naon anu paling kotor di dunya anu anjeun kantos angkat?\nIndia panginten henteu gaduh jamban anu paling kotor, naha? Sabab teu boga wc. Leres, seueur rumah tanggana loba nu henteu ngagaduhan jamban di bumi. Di India, hiji rumah tangga tiasa gaduh 3-5 smartphone, tapi aranjeunna henteu gaduh jamban. Loba di antarana ngejat dina taneuh gundul atawa jukut. Sareng Bandara Internasional Manila bangga kana jamban anu teu aya cai. Mimitina mah panginten, aranjeunna gaduh sistem toilét énggal anu tiasa siram tanpa cai…. eh ternyata wc biasa anu teu aya cai…… eeeealah….. tah kamar mandi di bandara teh bau dugi ka nagara tatangga.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2545", "text": "Kuring geus ambek. Kusabab kuring boga cacad fisik saeutik. Upami leres leres-leres aya kakurangan fisik (contona cacad) upami anjeun hoyong sareng tiasa ngalakukeun hiji hal pikeun ngarobih hal-hal janten langkung \"normal\" teras laksanakeun (contona sapertos kuring, kalayan operasi sakedik kuring tiasa janten \" normal\" tapi kuring milih nangkeup cacad kuring). Upami henteu, teras nampi kaayaan anjeun. Meureun urang rada béda ti kalolobaan urang. Tapi teu salah jadi kudu lungsur mentalitas.\nUpami anjeun ngarasa sacara fisik normal tapi sababaraha jalma nganggap penampilan urang henteu pikaresepeun, sakali deui, éta sanés lepat anjeun (geus aya perasaan éta). Kami henteu hirup ngan ukur pikeun nyenangkeun aranjeunna sadayana. Sanaos waktos anjeun béak, anjeun moal tiasa ngahontal éta. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8198", "text": "Santi boga salaki nu gawe ti isuk nika peuting. Kusabab salakina rajin ekonomi kulawargi Santi tiasa disebat cekap pisan. Ngarasa tos loba duit manehna mineng balanja di platform online store. Hiji waktos aya tas nu dihayang-hayang pisan ku Santi. Pangaos tasna emang awis nanging Santi teu mikirkeun pangaos langsung ngacheckout eta tas teu ningali deskripsi nu sejenna. Sawaktos tas datang Santi kuciwa pisan kusabab tas nu dipeserna palsu. Santi sieun dicarekan ku salakina kusabab tos meuli tas palsu nu pangaosna teu mirah bahkan kasebat mewah. Naon nu dipikasieun ku Santi kajadian, salakina ngadat tur ngirangan duit balanja bulanan. Santi ayeuna leuwih ati-ati upami balanja kusabab sieun dicarekan deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6833", "text": "Ti baheula abdi teu pernah dipasihan hape anyar. Pasti wae hape na teh urut lanceuk atau urut mamah jeung bapa. Pernah sakali abdi meser hape anyar pas keur SD, nyaeta meser hape esia hidayah anu warna hejo bodas. Abdi atoh pisan lantaran tiasa gaduh hape nyalira. Sanajan hape na ngan saukur dipake kanggo sms jeung nelepon hungkul, tapi lumayan we jang barudak SD mah sakitu oge tos atoh. Abdi meser eta hape di konter deket imah nini, pangaosna tilu ratus rebu kirang sarebu. Abdi meser eta hape ngangge artos ti THR lebaran. Abdi atoh lantaran eta mangrupakeun hape kahiji abdi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "753", "text": "Basa keur angin gede, nepikeun panto teh katiup ku angin. Urang nu keur cicing ujug-ujug jadi ambek, ditambah sora anu gandeng di luar. Urang ngambek ka angin, \"Cing atuh ulah tarik-tarik teuing maneh teh!\" Urang nutupkeun panto bari dijeblagkeun. Di jero imah oge urang masih ngambek malah ngambekna oge kana panto nu babarian katebak ku angin, bari molotot urang ngomong \"Maneh mah meni leumah pisan, katebak angin saeutik oge muka!\". Dihareupeun panto urang sabari neunggeulan, bahkan ku urang pantona dibuka tutup ngarah reyod jeung ruksak. Samemeh indit teh ku urang dikoncian heula, tuluy ku urang ditinggalkeun panto eta bari ditajong ku suku nepikeun ka bijil sora \"Bledug\".", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5944", "text": "Basa nuju uih nonton bola, Giman ngiluan pasedek-sedek kaluar stadion sabab emang ngantri di pintu kaluarna. Harita mah kabeneran asa masalah di antara supporter bolana, aya nu ngaprovokasi sabab ngarasa teu tarima ku elehna. Tuluy terjadi karicuhan dina tribun, antarpenonton teh saling tonjok jeung supporter lawan. Giman buru-buru nyalindung di teribun pang deukeutna jeung pintu kaluar, tapi cicing na d luhur jadi teu pagelek. Pas ningali ka arah pintu kaluar, geus aya jalma nu katincakan sabab teu bisa nyaimbangkeun awak dina karicuhan. Pas dievakuasi, eta jalma teh tos engap-engapan, sakarat sabab geus teu bisa napas pisan. Giman ningalna karunya bari aya rasa sieun sabab ningali ekspresi sakaratul mautna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5536", "text": "Tos tilu bulan Miki ngarasa nyeuri dina tenggorokanna, malahan nepi kana beuheung. Makon poe makin ngagedean beuheungna teh. Pas dipariksa ka dokter, Miki divonis kena kanker getah bening. Tuluy Miki pariksa rawat jalan kaditu-kadieu. Tapi lain kalah cageur, unggal poe awakna makin ngaleutikan wae, makin kuru. Rambutna geus makin botak, anjeunna ge geus teu bisa ngomong. Jadi mun hayang nanaon teh kudu make tulisan. Emam na ge geus make selang, sabab geus teu bisa asup nanaon. Awakna kuru pisan, jiga rorongkong nu masih keneh hirup. Kelenjar kanker nu dina beuheungna makin ngagedean dugi kana matana. Mudah-mudahan we dipaparinan kasehatan deui jiga samestina.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6029", "text": "Salah sahiji dosa anu jarang pisan disadari ku manusa teh nyaeta dosa jariyah. Jadi, dosa jariyah teh dosa anu bakal ngalir nepi ka urang geus di alam kubur. Nu nuju maak ayeuna teh nyaeta nembongkeun aurat dina sosial media, atawa sakali pun nembongkeun raray dina sosial media. Tah hal ieu teh bisa ngundang tafsir nu loba pisan tinu ningalina, jeung deuih rentan disalahgunakeun. Malahan mah sok asa bangga amun bisa pasang foto di sosial media teh. Teu karasa padahal eta teh jadi dosa jariyah nu ngalir salila urang hirup nepi ka urang tos maot. Loba nu nyapelekeun hal ieu sabab emang kurangna pengetahuan kana ajaran agama.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6323", "text": "Kiki kantos basa nuju ka imah Ninina nu di gunung, jol manggihan hal anu geuleuh pisan. Harita teh nuju botram kulawarga, sadayana kumpul jeung makan bareng. Pas keur ngeunah-ngeunahna dalahar teh, jol we aya budak dulur anu orok keneh kalah olab di hareupeun sarerea. Olaban na teh tuluy ngeclak kana piring toas indungna. Kiki nu nyaksikeun langsung meuni ngarasa seueul pisan. Hayang enggeus daharna, da loba keneh alasna. Jeung deuih mun enggeusan teh bisi teu ngeunaheun ka kabehan. Mantak, Kiki bari rada cuman cemen teh nuluykeun dahar. Angen na teh meuni geus seueul pisan nahan hayang utah nempo tragedi nu tadi. Tidinya Kiki embung deui dahar ngahiji jeung orok atawa budak leutik.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5528", "text": "Biasana mun keur ulang taun teh sok meunang hadiah ti orang spesial, misalna kulawarga, pasangan, atawa babaturan. Sabagean besar nu mere hadiah teh sok bari ditutupan heula matana supaya jadi surprise jang nu ulang tan. Malahan mah sabagean aya deui nu sok bari ngeprank heula supaya teu kaciri bade dibere hadiah. Tujuanna mah alus, mere hadiah ku cara surprise supaya kenangan na kainget wae jeung rasa panasaran kana eusi hadiah oge diuji pisan. Komo mun hadiah na nu berarti pisan mah, mantak kudu dirangka heula strategi jang merena ge. Tah hal ieu teh dilakukeun supaya nyimpen kenangan jeung kesan tersendiri ka nu ulang taun na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6947", "text": "Basa nuju ujian ngojay di palajaran olahraga aya hiji rerencangan kuring anu sieun pisan kana cai. Manehna teu daek anclom kana kolam sangkilang eta kolam deet. Abdi panasaran naha manehna nepikeun sieun jeung kesangan kitu pas dititah ngojay. Pas tos balik ti kolam manehna nyarita yen basa leutik manehna pernah ditilelepkeun di kolam ku lanceukna. Sanajan eta teh ngan hereuy hungkul, tapi manehna bener-bener sieun pisan. Kajadian eta ngajadikeun manehna sieun kana cai kolam jeung teu pernah daek datang ka kolam renang. Tapi manehna ngarasa yen trauma eta teh bakal ngaganggu manehna lamun teu diubaran. Tungtungna mah manehna sakedik-sakedik diajar ngojay nepikeun teu sieun deui kana cai kolam. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6015", "text": "Basa nuju alit keneh mah, Kiki teh pernah trauma kana nu ngaranna jarum suntik. Jadi, keur alit teh pernah anjeunna gering tuluy kedah disuntik. Tah pas disuntik na teh dokter teu make aba-aba, jos we langsung nyuntik leungeunna. Atuh Kiki teh kacida reuwaseun nana sabab asa dibobodo jeung asa diserang. Ti saprak harita nepi ka gede ge Kiki mah sok alim wae mun rek disuntik teh sabab bangbaungeun wae kajadian anjeunna basa keur leutik. Tah eta ge jadi salah sahiji alasan Kiki acan ngalaksanakeun vaksinasi nepi ka ayeuna sabab bangbaungeun tea. Mun berobat ge sok alim pisan disuntik, kajeun teuing milih obat nu ditelen we.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8443", "text": "Lita ayeuna nuju ngarencanakeun kanggo ngagaleuh bumi. Anjeunna parantos seueur survey ka sababaraha tempat pikeun mendakan bumi anu cocog sareng anu dipikahoyong. Minggu kamari, Lita reuwas ku kaayaan salah sahiji imah anu ditilikna. Anjeunna mendakan hiji bumi anu henteu dijaga di pinggiran kota. Anu matak reuwas anjeunna nyaeta imahna henteu dijaga. Manehna oge ngarasa geuleuh pisan ka eta imah lantaran imahna geus dijadikeun sarang loba serangga. Kecoak, sireum, jeung laba-laba minuhan loba juru imah. Ngarasa keuheul, Lita teu daek cicing di dinya, buru-buru kaluar ti imah. Tangtu, Lita meuntas imah tina daptar imah manehna bisa meuli. Dirasakeun pisan nyeepkeun hirup di bumi sapertos kitu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8924", "text": "Waktu keur leutik, kuring diajak kekebutan naék motor jeung si Aa. Sieun pisan kuring harita, nepi ka kuring nangkeup manéhna bari nyekelan jaketna pageuh pisan. Tapi si aa mah angger weh kekebutan, teu paduli ka kuring anu sieun di tukangeunana. Aa kalahka seuri bari tetep kekebutan. Keur ngeunah kekebutan, ujug-ujug aya mobil ti pengkolan. Aa teu nyangka aya mobil ti arah dinya, ku aa stang motorna dibalikkeun, urang jeung aa murag kana solokan gede jeung motor-motorna oge. Aa tatu dina leungeun jeung tuur na hungkul, tapi kuring leuwih parah sarta leuwih loba tatuna. Dahi jeung biwir kuring getihan lantaran ngabadug semen solokan meuni tarik. Bari abdimah seueur tatu dina panangan sareng suku oge. Kuring neunggeul si aa bari ceurik lantaran sieun jeung nyeri, ti harita kuring geus teu daek dibawa naek motor deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9028", "text": "Cara anu salajengna anu kedah urang laksanakeun nalika urang ngalaman gagal rem nyaéta nyobian tetep tenang sareng henteu panik. Nalika urang ngalaman gagal rem, tangtosna henteu gampang pikeun henteu panik, tapi konci pikeun ngatasi rem gagal nalika nyetir nyaéta tetep tenang. Ku tetep tenang jeung percaya diri, sadérék bisa ngalakukeun léngkah-léngkah di luhur kalawan hadé, sabab ku tenang urang ogé bakal mikir jernih. Mudah-mudahan ogé ku tetep tenang, anjeun tiasa aman tina marabahaya nalika rem gagal nalika nyetir. Cara anu terakhir nyaéta menta tulung. Sanggeus suksés eureun, ulah coba-coba nyetir kendaraan anjeun deui. Neangan pitulung ku nelepon montir pikeun perbaikan atawa treuk derek pikeun ngerek mobil anjeun ka bengkel pangcaketna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "629", "text": "Reuwas pas divonis ku dokter ngabogaan diabetes teh, sabab ngarasa masih ngora keneh moal kakeunaan ku penyakit nu serius. Tapi faktana mah kaserang oge, emang sih mun dipikir-pikir mah resep pisan ngadaharan anu amis-amis teh, komo mun mibogaan pribadi anu moody an, nya salah sahiji carana ngadahar nu amis meh mood deui, siga ngadahar coklat atawa kueh anu posina loba. Ayeuna mah geus ngarti jeung leuwih nyaah kana awak, moal deui nurutan naon nu dipikahayang salila eta bakal mibogaan dampak buruk kana kasehatan. Jeung bakal miceun pikiran anu nganggap masih ngora moal keuna panyakit nu serius, jadi ayeuna mah leuwih nyaah kana diri sorangan ku ngajaga jeung ngarawat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "255", "text": "Bisa milih kumaha ceuk hate sorangan henteu kumaha ceuk batur. Pernah pas lulus SMA bingung kudu kumaha, sedengkeun indung jeung bapak mah hayang urang masantren ngameh nuluykeun profesi bapak anu jadi ustadz. Asalna urang nurut kana kahayang kolot urang, tapi dina hate leutik urang mah hayang nuluykeun sakola ka paguron luhur. Didinya aya perdebatan boh jeung diri sorangan atawa jeung kolot. Tapi urang nyokot jalan tengah tuluy bebeja yen lamun urang teu katarima di paguron luhur, urang rek masantren sakumaha kahayang mamah jeung bapak. Tapi geus jalan ti Allah, anu akhirna urang lulus ka paguron luhur. Didinya urang untung sabab nurut kana kumaha ceuk hate sorangan, sabab lamun nurut ceuk sorangan bakal hampang ngajalani na ge moal hese nu kabuktian bisa lulus 3,5 taun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2437", "text": "Kantorna aya di kawasan industri Marunda, Jakarta Utara. Jalur Cilincing-Cakung dikenal rawan kacilakaan. Kacilakaan ampir unggal dinten, khususna anu ngalibatkeun motor sareng treuk ageung. Hiji kajadian anu kaalaman ku manéhna nyaéta ningali jalma nu keur leumpang nu awakna teu utuh. Kajadian saméméh maghrib, manéhna rék mulangkeun mobil ka kantor. \"Di hareupeunana ujug-ujug aya jalma keur meuntas. Sakilasna siga jalma biasa. Tapi mun ditilik deui, sigana awakna geus teu utuh. Pas geus ngaliwat, panasaran hayang neuteup deui. ngaliwatan spion, naha teu aya,” ceuk Yudha. Nyéépkeun waktos seueur waktos di jalan, Yudha nitip pesen ka supir ngora supados tetep tenang sareng ngadoa upami ngalaman carita sapertos di luhur. \"Tenang, solat, jeung solat lamun urang Islam. Tong mawa rasa sieun, engke bahaya lamun nyetir, bisa kacilakaan. Cukup nyanghareupanana, ulah tegang. Insya Allah, urang tiasa ngalaksanakeun tugas salaku supir kalayan saé, ”saurna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3413", "text": "Kasus maling coklat di mini market di Tangerang Selatan anu rame di media sosial disebut-sebut lantaran palaku kaserang kleptomania. Psikolog Universitas Airlangga (Unair) Margaretha ngajelaskeun ngeunaan kleptomania dina hal sabab, gejala, cara ngubaran, sareng cara nyegahna. Margaretha nétélakeun, kleptomania téh mangrupa sindrom atawa gangguan méntal jeung psikologis, nu ngajadikeun jalma hésé pikeun ngatur dirina. Janten, aranjeunna sababaraha kali maling atanapi nyandak barang-barang batur, ”saur Margaretha. Dosén Jurusan Psikologi Klinis jeung Kaséhatan Mental ngajelaskeun yén maling atawa barang anu dicokot ku kleptomania téh sabenerna lain hal anu diperlukeun, tapi hal anu dipikahayang. Padahal, barang anu dipikahoyong tiasa dipiboga ku jalma anu ngagaduhan gangguan kleptomania biasana ku cara ngagaleuhna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7870", "text": "Abdi era pisan lamun nganggo acuk anu sarua jeung batur, komo baturna teh teu kenal. Pernah hiji poe abdi era lantaran teu kahaja nganggo acuk nu sarua jeung batur. Jadi caritana teh abdi nganggo acuk kotak-kotak warna hejo. Abdi meser baju ieu di pasar, ai sugan teh teu bakal aya nu nganggo acuk nu sarua lantaran abdi jarang ningal batur nu nganggo acuk nu sarua jiga abdi. Tapi pas abdi nuju jajan di hareupeun kampus jol aya nu nyengseurikeun bari tutunjuk ka abdi. Abdi karek nyadar maranehna nyeungseurikeun abdi lantaran acukna sarua jeung babaturanna di kampus. Abdi langsung era sakaligus keheul lantaran diseungseurikeun. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4705", "text": "Jalma anu sieun jarum jeung jarum suntik umumna oge ngarasa sieun prosedur medis sejen. Kaayaan ieu nyababkeun hatena deg-degan sareng panik bari ngantosan giliran dipariksa ku dokter, atawa nalika aranjeunna mikirkeun tindakan medis anu bakal dilakukeun ka aranjeunna. Kaayaan ieu umumna dialaman ku barudak. Sanajan kitu, kaayaan ieu bisa ngalaman ku dewasa jeung sieun sarua.Anu ngarana kasieunan di suntik atawa sieun jarum suntik teu bisa di bedakeun ti umurna, budak leutik sieun mereun wajar kusabab leutik keneh, tapi loba oge kajadian kanu jelema dewasa, lamun geus dewasa kasieunan ieu biasana di sebut trauma jeung ieu teh teu bisa di anggap remeh, jelema anu boga kasieunan lamun di suntik bisa ngahambat lamun keur gering.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6401", "text": "Pernah abdi basa indit kuliah, tiungna teh tibalik. Jadi, abdi teh make tiung segi opat anu bahan bella square, biasana kan dibagi dua jadi segitilu. Tah, nu segitiluna leutik teh di jero, mun nu gede mah di luar. Harita mah salah make kalah tibalik. Nu leutikna di luar, nu gede na di jero. Paingan rarasaan teh asa aneh, tiung teh asa teu ngeunaheun. Puguh we da salah tibalik tiungna. Untung we sadarna pas di kamar mandi. Jigana titadi pas kelas teh batur naringalieun we abdi salah make tiung kalah tibalik. Untungna teu aya nu nanya, jadi teu era teuing pas dibenerkeun teh tiungna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7329", "text": "Emang bener ceuk batur lamun salingkuh teh panyakit. Hal anu nyebabkeun jalmi salingkuh teh lain pedah pasanganna goreng atawa seeur kakurangan. Tapi lantaran manehna nu hayang salingkuh, tuluy ngajadikeun kakurangan eta salaku tameng jeung alesan sangkan manehna salingkuh. Lamun sakali geus salingkuh, biasana bakal diuang deui. Rerencangan abdi ngalaman hal ieu. Saprak manehna apal yen salakina salingkuh, manehna langsung menta cere. Awalna eta bisa kanyahoan lantaran aya hiji deui rerencangan urang anu manggihan salakina keur duduaan sareng awewe di hotel. Asalna mah manehna masih keneh percanten ka salakina. Tapi pas buktosna tos kakumpul, manehna langsung nyabok salakina pas balik ka imah lantaran ku amarah anu geus teu katahan deui. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "776", "text": "Di SMP urang mindeng di bully, ku sabab kulit urang warnana hideung, tuluy rambutna keriting, sok disebut \"Papua\" \"Cempor\" \"Hideung\". Mimitina mah urang adem ayem wae, nanggap eta teh heureuy teu diasupkeun kanu hate. Tapi ku sabab jelema mah aya batas sabarna, di hiji waktu oge emosi urang meledak, lantaran emosi nu dipendem-pendem salila ieu ku sabab disinggung wae teh akhirna kaluar. Harita teh pas urang rek kaluar isitraha, ujug-ujug aya nu nyebut kitu. Ku urang langsung di datangan jelema eta. Ku urang dipolototan, lantaran teu tega mun urang kudu nyinggung manehanana oge. Manehna ngan bisa punten-puntenan bari moal nyebut-nyebut kata eta deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7852", "text": "Basa abdi sareng sakulawargi nuju angkat ka imah nini, urang ninggalkeun daging hayam dina kulkas, rencana na mah eta hayam bakal didahar pas urang balik ti imah nini, janten teu kedah repot-repot masak deui. Tapi urang teu apal yen pas salila urang di imah nini teh eta kulkas ruksak, janten freezer-na oge pareum. Pas urang balik ti imah nini, di imah geus rada bau bangke, arahna mah tina kulkas, pas dibuka bener we eta daging geus janten buruk lantaran kulkasna pareum. Eta daging langsung dipariceunan jeung kulkasna langsung dikaluarkeun ti imah lantaran geus bau pisan. Dagingna oge geus ngaluarkeun cai anu teu geunah. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7606", "text": "Magrib-magrib basa abdi nembe beres pisan netepan jol aya nu ngetrok panto imah. Sugan teh aya naon epekteh eta tatanggi anyar abdi, manehna beja yen manehna sieun cicing di kontrakkan manehna ayeuna lantaran siga aya jalmi anu ningalikeun manehna. Abdi bingung kedah kumaha teras abdi samentara nulungan manehna ku cara ngijinkeun anjeunna mondok di imah kuring, mumpung kulawargi abdi nuju mondok di imah dulur anu sanes. Abdi oge ngalaporkeun anjeunna ka pa RT supados manehna leuwih tenang jeung aya nu ngajagaan mamehna. Abdi karek apal yen manehna ayeuna cicing sorangan di imahna teu aya nu maturan, komo manehna jalmi anyar di tempat ieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5607", "text": "Harta karun mangrupakeun hal nu sering pisan diteangan ku sabagean jalma. Biasana harta karun nu diteangan teh bentukna sok mangrupa emas, duit logam, atawa aksesories jaman baheula. Mun dijual teh boga nilai nu tinggi pisan sabab kaunikan nana. Biasana harta karun nu loba dipanggihan di Indonesia mangrupa duit logam jaman penjajahan, aksesoris jiga kalung, gelang, jeung anting jaman baheula, perkakas dapur nu dijieun na tina logam atawa timah, jeung sajabana. Biasana harta karun dipanggihan di leuweung, petilasan, atawa tempat-tempat nu kentel pisan jeung sajarah. Lobana mah dipanggihan di leuweung, sabab jaman perang jeung penjajah teh masyarakat nyumputna di leuweung. Aya nu nyumputkeun harta karun na dina taneuh, aya oge nu dina tatangkalan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5516", "text": "Basa keur aya kagiatan camping di Rancaupas, abdi jeing babaturan ngadirikeun tilu tenda. Ngahaja campingna di tengah leuweung supaya teu kaganggu ku karamean di camping ground. Hiji peuting, abdi rek masak di hareupeun tenda. Kacida reuwasna dibelah kenca jarak sapuluh meter aya kalangkang hideung badag jeung jangkung ngolebat nembongan tina hiji tangkal gede ka tangkal sejenna. Kalangkangna hideung pisan, leuwih hideung ti poek peuting, jadi kaciri. Bentukna jiga awak jelema ngan gede pisan, jangkungna sarua jeung jangkung pucuk tatangkalan. Ngolebatna tereh pisan ngan kaciri ku tunggtung panon. Abdi harita kacida reuwasna, bari ngadeg-deg awak buru-buru asup kana tenda. Dina jero tenda teh tuluy we babacaan teu eureun-eureun. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8164", "text": "Nyingsieunan budak sawaktos keur leutik teh goreng pisan ka perkembangan budak. Budak janten loba kasieun sawaktos ageungna. Salah sahiji contona Putri nu sieun badut. Keur leutik upami ceurik teh Putri sok direpehan ku indungna. Nanging ngarepehanna disingsieunan ku topeng badut, cenah upami teu repeh ieu badut tiasa nyulik Putri teras janten didahar. Janten unggal aya badut teh ayeuna Putri gogoakan kusabab sieun sareng trauma. Upami aya badut nu dipikiran Putri teh manehna bakal diculik teras didahar ku eta badut. Ku kituna ieu nyingsieunan budak teh bahaya pisan pikeun dibawa kagede kusabab tiasa nyebabkeun trauma. Trauma ieu ngan tiasa dicagerkeun liwat psikolog.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8490", "text": "Keuheul pisan jeung ngerakeun lamun calana ujug-ujug robek. Ieu bisa nyieun hiji jalma ngarasa pisan kacau jeung fterpaku kana kaayaan, sarta mangaruhan kapercayaan diri maranehanana. Utamana lamun cimata lumangsung di tempat umum, eta bisa ngabalukarkeun era sarta nyieun jalma ngarasa teu nyaman jeung teu nyaman. Rarasaan calana dadakan robek tiasa pisan ngerakeun sarta ngabalukarkeun perasaan ngarareunah. Ieu bisa ngakibatkeun parasaan isin jeung timer ragu, utamana lamun eta kajadian di hareup sakelompok badag jalma atawa dina setting formal. Nanging, upami urang tiasa ngatasi parasaan ieu sareng ningali eta salaku kajadian leutik anu henteu kedah digedekeun, urang tiasa neraskeun kagiatan urang kalayan percaya diri.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5606", "text": "Aya salah sahiji channel youtube anu kontenna milarian harta karun mangrupa fosil hewan laut nu geus ngabatu. Youtuber ieu teh ti luar negeri, lain ti Indonesia. Anjeunna milarian batuna sok di pantai. Fosilna rata-rata tos rubah jadi batu. Jadi, anjeunna milarian batu nu aya liangan jeung bentukna khas. Sabab liang eta teh biasana kabentuk tina irung kapiting purba. Batu nu aya liangan khusus teh dibawa ka lab anjeunna. Si batu eta teh tuluy dikikir saeutik saeutik nepi ka katempo bentuk kapitingna. Mun geus kitu tuluy di purnish supaya makin jelas bentukna. Geus alus kitu mah tinggal dipajang jang penelitian anjeunna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "296", "text": "Jadi lanceuk emang teu babari, urang ditungtut kudu ngalindungan adi sorangan. Tapi aya carana oge ngarah jadi lanceuk anu baik di mata adina. Nu kahiji, kudu mindeng ngobrol ngadengekeun kabeh carita ngeunaan sapopoena. Nu kadua, ajak belajar babarengan, ngabantuan adi ngerjakeun PR sakolana sabab kumaha wae ge masih butuh bimbingan jang diajar salian ti guru di sakola. Nu katilu, ajak ulin. Jenis ulinna bisa naon wae ge, misalna ucing sumput. Nu kaopat, kudu kenal deukeut kabeh babaturanna ngameh pergaulanna kajaga. Nu kagenep, lamun keur boga waktu luang, euweuh salahna nganteurkeun adi ka sakolana ngameh ngarasa dipikanyaah ku lanceukna. Nu terakhir lamun keur tepang taun bere kado.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7813", "text": "Barudak leutik biasana sok ulin dina pasir teras dijieun kueh-kuehan. Biasana pasirna teh sok dicampurkeun jeung cai supados tiasa dicitak teras dipoe nepika garing tuluy bentukna janten siga kueh. Abdi basa eta nuju maturan ponakan kuring anu hayang maen dina pasir, pas manehna nyuguhkeun eta kukuehan abdi ningal di bagian luhurna aya nu buleud-buleud hideung, ai sugan teh batu karikil, tapi pas ditingal eta mah tai domba. Lantaran geleuh, abdi langsung nitah ponakan abdi pikeun ngumbah lengeun lantaran eta tai geus pacampur jeung cai pasti bakal kotor. Pas manehna apal yen eta teh tai domba, manehna langsung teu hayang deui ulin dina pasir. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6084", "text": "Abdi kantos basa sakola keneh teh cilaka tina sapedah sabab remna blong. Harita teh abdi make sapedah kumbang ngaboncengkeun rerencangan abdi. Di jalan uih teh nyorang pupudunan nu nukik pisan, terus ujungna aya situ. Harita teh poe Jumaah jam dua belas beurang, abdi ngaliwatan eta pudunan. Mimitina sempet mangmang, turun atawa ditaekan wae. Geus kitu teh nekad we ditaekan. Eh pas ditengah pudunan remna blong, teu katahan. Mudun tarik ti luhur ka handap. Geus dihandap teh abdi teu bisa ngajaga kasaimbangan, tuluy labuh we di sisu jalan aspal. Tidinya abdi ngarasa kapok naek sapedah dina pudunan sabab luka na lain bobodoan nyeuri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "343", "text": "Sabab geus 3x daftar beasiswa LPDP ditolak wae, urang geus teu ngarepkeun deui. Rek fokus jang daftar mandiri ka Unpad make jalur reguler. Sanajan kudu mayar sorangan ge tapi ari ku diniatan hade mah sugan aya wae rejekina. Pas poe harita urang tes sacara daring, tes anu kahiji na teh ngeunaan bahasa Inggris kawas tes TOEFL kitu. Tapi pas poean tes urang ngarasa teu maksimal sabab hiji jeung lain hal. Hasil tesna langsung kaluar pas urang submit. Urang nangkeup ka Indung urang bari ngomong yen gagal deui daftar teh. Sedih sabab ku miluan tesna ge geus mahal, lamun dipikir-pikir mah mending dipake jang sapopoe.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6021", "text": "Salah sahiji teapi jang nu sieun ku jarum suntik teh nyaeta ku cara terapi pemaparan atawa eksposure theraphy. Jadi terapi ieu teh dilakukeun ku cara ngabiasakeun jalma nu sieun ku jarum suntik supaya bisa narima jeung bisa biasa ku ayana jarum suntik. Cara nu ditempuhna nyaeta mimiti nempo gambar suntikan. Mun geus bisalanjut ka level dua nyaeta ngadangukeun penjelasan ngeunaan suntikan. Tuluy level tiluna nyaeta nempo batur disuntik. Mun bisa lolos ya ka level opat, nyaeta nyepengan jarum suntik. Tuluy mun bisa, tuluy ka level lima, nyobian narima suntikan. Tah ku ayana tahap terapi ieu teh diharapkeun mampu ngaleungitkeun kasieun kana jarum suntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8206", "text": "Upami sieun disuntik keur berobat ka dokter aya babaraha nu tiasa dilakukeun pikeun ngurangan parasaan sieun ieu. Kahiji, carioskeun ka dokter upami urang sieun disuntik. Ku ngomong nu saleresna ka dokter upami urang sieun jarum suntik dokter sareng tanaga medis nu sejen tiasa ngalakukeun prosedur nu leuwih ati-ati tur gancang pikeun ngurangan rasa nyeuri kusabab disuntik. Kadua, diuk nu tenang tur leuleuskeun otot-otot dina awak khususna dibagian awak nu arek disuntik. Perkawis eta tiasa ngurangan rasa nyeuri kusabab disuntik. Katilu, atur pernapasan urang. Upami napas urang teu teratur urang janten deg-degan teras panik, ngatur pernapasan ieu penting dilakukeun. Kaopat, nyaeta yakin tur lawan rasa sieun disuntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3258", "text": "Henteu aya rahasia yén kopi luwak (P. hermaphroditus) mangrupikeun salah sahiji kopi anu paling mahal di dunya. Asalna ti Asia Tenggara (khususna Indonésia sareng Filipina), kopi luwak dihasilkeun tina biji kopi anu dicandak tina kotoran luwak. Heueuh, sakilo biji kopi luwak liar bisa dijual saharga US$1.300 (Rp. 19 juta). Sanajan ngahasilkeun milyaran, luwak dirawat kalayan kaayaan sedih. Nurutkeun laporan PETA, luwak téh ditempatkeun dina kurungan nu raket sangkan teu jarang luwak nu cilaka sorangan. Sajaba ti éta, maranéhanana ngan fed berries kopi, bari maranéhanana kudu geus dahar rupa-rupa pangan. Bari kotoran dianggap hiji hal nu teu aya hargana, tétéla tai boga fungsi sorangan. Kanyataanna, pikeun sababaraha produk stool, Anjeun kudu méakkeun saeutik pikeun bisa ngarasakeun aranjeunna", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3322", "text": "Nyadiakeun fasilitas toilét anu nyukupan tiasa ngabantosan ngaminimalkeun résiko panyebaran patogén anu ngabahayakeun sareng asup ka tempat persiapan tuangeun atanapi dapur.\r\n1. Pastikeun jamban réstoran anjeun beresih jeung dilengkepan fasilitas kabersihan terpadu kayaning dispensers sabun jeung dryers leungeun.\r\n2. Tetep jamban réstoran Anjeun smelling seger jeung senang ku cara masang solusi freshener hawa, atawa mertimbangkeun solusi Scenting Premium pikeun nyieun dimensi sejen ka toilet Anjeun.\r\n3. Naha anjeun terang? Dina unggal prosés nyiram jamban, aya 'efek bersin' anu nyababkeun baktéri ngapung ka hawa. Baktéri tiasa nutupan sakumna lingkungan toilét anjeun dina kirang ti hiji menit sareng tahan dugi ka 24 jam.\r\n4. Pastikeun anjeun gaduh korsi toilet cleaner dipasang dina unggal cubicle pikeun ngurangan résiko kontaminasi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4034", "text": "Lulus D3, urang arek lanjut kuliah deui nyokot S1. Tapi kali ieu urang nyokot kampus swasta anu unggal bulan na loba bayaran, terbilang gede biayana ti kampus negeri mah. Berhubung di daerah urang mah jarang aya kampus negeri anu aya jurusan ekonomi, jadi urang daftar ka kampus swasta. Pendaftaran na bisa iraha wae, eweh batasan jadi bebas. Basa eta urang datang poe sabtu, da poe sabtu ge kampusna buka teu libur soalna aya kelas karyawan. Pas pisan urang keur gawe di pabrik, jadi waktuna bisa nyokot kelas sore. Biasa pas daftar di tanya-tanya, terus bayar biaya pendaftaran na. Poe senen na geus di bere kelas, urang kelas sore c jurusan Akuntansi S1, kuliahna mulai ti jam 17:00 nepika jam 22:00. Urang bungah pisan mun asup kelas nempo bangku kuliah anu barodas, terus urang kenalan jeung babaturan sakelas. Mimiti asup mah teu belajar, ngan perkenalan doang. Urang resep pisan di kelasna teh aya awewe aya lalaki, saimbang jadi teu loba teuing awewena, jeung dosen na teh ramah-ramah barageur kadang mah sok ngabodor, jadi kelas teh teu sepi teuing. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9204", "text": "Waktu éta kuring jeung babaturan balik ti sakola. Kusabab siang keneh, kuring mampir ka nu ngajual bakso jang ngeusian beuteung. Harita warung baksona teh sabenerna lain anu biasa dibeuli ku urang, tapi kusabab lokasina deukeut jeung sakola, kuring jeung babaturan dahar didinya. Upami raosna lumayan, teu jauh béda ti anu biasa urang mésér. Bari dahar, kuring ningali aya laleur keur éntep dina mangkok bakso babaturan kuring, harita manehna keur di cai. Saenggeus entep, laleur teh endogan didinya, kuring kacida jijik ningalina waktu harita. Kuring langsung nyarios ka rerencangan kuring supados henteu ngadahar basona deui, sareng saatos éta kami langsung mayar tuangeun tuluy indit. Kuring sareng réréncangan henteu hoyong mésér bakso di dinya deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5613", "text": "Harta karun teh biasana mangrupa aset berharga nu diteundeunna ti jaman baheula pisan. Biasana harta karun ngahaja diteundeun jang sampeureun jaga. Tapi dina prakna mah aya oge nu teu kasampeur deui sabab sababaraha faktor, salah sahijina kamatian. Tah, ayeuna mah tos seueur nu neangan harta karun dina rangka ngadu milik. Biasana oge diteangan make alat canggih, jadi teu kudu deui cacapean ngira-ngira. Biasana sok aya nu ngajiadikeun kagiatan neangan harta karun teh konten dina media sosial. Ieu jadi hal nu resep ditonton ku masyarakat, sabab secara teu langsung ngarasakeun panasaran nana. Yuk ah daripada urang ge panasaran, mending nonton wae kontenna!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2604", "text": "Upami aya pangaruh ngarugikeun, anu paling dipikaresep nyaéta dramatisasi. Anak jadi beuki ambek, sanajan sakapeung ditindes sarta bisa bitu iraha wae. Lajeng, anak bisa rebel, atawa malah mundur ti anggota kulawarga.\r\n\r\nSangkan leuwih positip dina kahirupan, barudak tengah kudu ngawangun komunikasi anu hadé jeung kolotna. Upami aya panyimpangan, kedah ditepikeun sacara saksama.\r\n\r\n“Saméméhna, ngan dimimitian ku cara mikir positif atawa tanpa prasangka, anggap sagala kalakuan kolot téh lumrah jeung geus tangtu tanpa niat jahat,” jelas salah saurang dosén Fakultas Psikologi UNAIR.\r\n\r\nBarudak ogé bisa ngalegaan cakrawala maranéhanana ku nalungtik fenomena anak tengah atawa fenomena sindrom anak tengah. Lajeng, coba pikeun niténan kulawarga séjén kalawan kaayaan urutan kalahiran sarua. Lajeng anak bisa néangan hal positif sarta berharga ti kulawargana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1352", "text": "Mindeng mun ka toilet umum, sok manggihan toilet anu teu beresih. Kondisina teh geus teu mangrupa, siga toiletna mampet, atawa tehelna baraseuh jadi laleueur. Komo deui loba nu make sapatu ka jero toilet teh, jadina tehel toilet teh pinuh ku leutak. Tapi ari keur diperjalanan mah kapaksa weh asup, dari pada hese deui neangan toilet sejen, jeung can tangtu oge beresih. Jadi geus teu mikir deui, langsung weh asup. Pas samemeh asup ge geus kaambu bauna teu ngeunah, bau pesing jeung bau toilet. Komo deui euweuh ventilasina, nu nyebabkeun udara dina toilet teh teu kaluar jadi ngulibek di jero toiletna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7484", "text": "Sieun kana panggung atawa demam panggung teu ngan dialaman ku panyanyi jeung artis hungkul, tapi oge mineng dialaman ku olahragawan. Biasana olahragawan bakal ngarasa sieun komo lamun ditonton jeung digorowokan ku panonton. Olahragawan oge bakal ngarasa sieun lantaran bisi manehna teu tiasa meunang sasuai harapan jalmi anu ngadukung manehna atawa sieun prestasina leuwih butut ti sateuacanna. Komo lamun manehna tos pernah meunangkeun kompetisi, pasti panonton bakal ngarepkeun anu leuwih deui ti manehna, janten manehna ngarasa boga beban kanggo ngajaga prestasi eta. Matak teu heran lamun di pertandingan nepak mah panongton teh sok ngagorowokeun lawan supados teu fokus jeung ngarasa eleh. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8230", "text": "Marsel teh nuju ka Puncak sareng kulawargina. Ka Puncakna numpak mobil pribadi. Perjalanan di mulai ti jam tujuh peuting kusabab ngarah nepi ka Puncak-na peuting tur tiasa langsung hees. Perjalanan di berdasarkeun google maps teh salila genep jam. Salila di perjalanan teu aya nu aneh-aneh nanging sawaktos asup wilayah Puncak aya hiji mobil nu nuturkeun mobil nu ditumpakkan Marsel. Mobilna mobil jeep warna hideung poek. Kusabab jalan tiiseun tur kurang pancahayaan kulawargi Marsel nyangkana nu nuturkeun teh mobil begal atanapi parampok. Sakulawrgi janten sieun tur mobil dibawa ngebut, nanging mobil jeep ieu ge ngiluan ngebut. Janten we dijero teh riweuh kusabab kabeh sarieun. Alhamdulillahna Marsel sareng kulawargi nepi ka tempat ngendongna. Nanging mobil nu tadi ngilu asup oge, tetela ieu teh rombongan nu teu apal jalan tur nuturkeun rombongan kulawargi Marsel.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1015", "text": "Lamun ditodong senjata make pestol, hal nu mimiti ku urang lakukeun urang kudu tetep tenang, sanajan urang ngaderegdeg ku sabab sieun ditembak, jeung nu penting mah ulah ngaprovokasi. Soalna mun urang ngaprovokasi, bisa wae urang langsung ditembak. Urang ge kudu ninggali situasina, mun nu rek nembak teh katinggali manehna teh keur mabok, mendingan oge milu naon nu diucapkeun ku manehanana. Ulah ngalawan atawa nolak. Leuwih alus urang mun apal jenis senjata nu digunakeun ku pelaku. Lamun apal urang senjatana, urang bisa nga analisis naha eta teh senjata beneran atawa senjata maenan. Lantaran loba kasus pelaku nu nyingsieunan make senjata maenan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3260", "text": "Balik deui kana inuman, anjeun kantos ngadangu kopi manuk jacu (Penelope)? Upami anjeun henteu acan, ieu ogé salah sahiji kopi anu paling mahal di dunya, asalna tina limbah sato. Sakumaha ngaranna nunjukkeun, kopi ieu asalna tina tai manuk jacu nu hirup di Brazil.\r\n\r\nPeternak Brasil, Henrique Sloper de Araujo, mangrupikeun anu nyiptakeun kopi ieu. Mimitina hama, Henrique nempo yén manuk jacu ngan bisa ngabedakeun antara kopi alus jeung goréng. Sajaba ti éta, prosés pencernaan manuk jacu leuwih gancang sarta minimal gangguan tina asam lambung atawa protéin sato.\r\n\r\nTaun 2006, Henrique ngarilis kopi manuk jacu kahijina. Kitu cenah, rasa kopi ieu rada dicampur rasa kacang. Kiwari, teu saeutik pencinta kopi anu hayang nyobaan kopi ti manuk jacu .", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5630", "text": "Tilu cara ngahadapi jalma nu hobina ngahina fisik batur. Kahiji, tong didangukeun sagala ocehan na, antepkeun we, anggap we radio butut nu keur diputer. Sabab biasana jalma nu kieu teh hayangna mah diladenan ngomong tuluy dibenerkeun naon nu diomongkeunna. Nu kadua nyaeta tinggalkeun indit. Sabab omongan jalma nu kitu mah sama sekali teu penting, jadi mending tinggalkeun indit ka hal nu leuwih penting tibatan ngadengekeun omongan jalma nu kitu. Nu katilu nyaeta ku cara ngabales omonganna, bahwa manehna teh boga kateusampurnaan oge nu teu kudu di beja-beja ka batur. Geus kitu mah antepkeun we indit ulah dilieuk deui sabab geus kamalinaan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5658", "text": "Mudik lebaran teh jadi salah sahiji budaya nu dilakukeun unggal taun. Tah, budaya mudik teh biasana melekat pisan jeung kata macet. Kumaha henteu, sabab mun mudik teh kabeh nu ngarantau baralik ka imahna di lembur. Malahan mah pernah aya nu ngalaman macet nepi ka sapoe sapeuting lilana. Komo dina malem takbiran mah sok mudal kabeh nu mudik teh. Ngan, geus silih ngartikeun jadi euweuh deui nu jengkel ku sabab macet. Kabeh nu mudik geus narimakeun kaayaan macet sabab emang geus kalender liburna ngan sababaraha poe. Jadi daek teu daek mun hayang lebaran di lembur mah wayahna kudu mamacetan di jalan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7295", "text": "Abdi sareng rerencangan nuju emam di salah sahiji tempat resto anu mineng pisan didatangan ku urang opatan. Urang resep kadieu lantaran dahareunna ngeunah jeung hargana oge teu pati awis. Tempat ieu nuju rame pisan lantaran poe Ahad, seeur pisan murangkalih anu lulumpatan jeung seuseurian di dieu. Sabari ngantosan dahareun na dugi ka meja urang popotoan heula di tempat ieu. Pas nuju diuk di korsi jol aya nu nyetel musik anu judulna \"Selamat Ulang Tahun\" abdi seuri sabari mikir pasti aya nu nuju ulang taun di dieu. Teu lila aya pagawe anu nyampeurkeun sabari mawa kue, ai sugan teh bakal ka meja sabeulah, tapi manehna kalahkah ka meja kuring. Abdi langsung reuwas lantaran kuring ulang tahun geus saminggon kamari. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3268", "text": "Naha lauk bau hanyir sanajan hirup di cai? Patarosan ieu nganggap yén bau hanyir disababkeun ku kurangna obyék interaksi jeung cai. Bisa jadi kaharti yén jalma umumna ngumbah leungeun maranéhna pikeun ngaleungitkeun bau hanyir. Lauk boga bau hanyir sabab lauk boga mékanisme fisiologis pikeun ngaluarkeun mukus/mukosa sakuliah awakna. Lendir ieu fungsina pikeun ngaleutikan tatu alatan gesekan sarta mempermudah gerak lauk dina cai. Slime ieu bau hanyir. Anu jadi sabab lauk anu rék diasakan bisa leungit rasa hanyirna ku cara dikumbah ku cai, lantaran lauk anu geus paeh teu bisa ngahasilkeun lendir deui. jadi na kamungkinan bau nu amis teh bakal kamana-mana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3415", "text": "Abdi ogé ngagaduhan bau anu goréng. Di imah kuring, bapa jeung lanceuk kuring boga bau anu teu pikaresepeun, sedengkeun indung, adi jeung lanceukna teu boga pisan. Jeung kuring geus datang ka istilah jeung ieu. Memang teu PD ngalakukeun kagiatan di rohangan anu teu aya AC. Sanaos kuring henteu kesang teuing, kuring masih karasa bau sareng ngajantenkeun kuring sareng jalma-jalma di sakuriling kuring teu genah. Aya rupa-rupa cara pikeun ngalakukeunana, milarian ka ditu ka dieu ngeunaan cara ngaleungitkeun bau anu goréng dina awak. Mimitian ku ngagunakeun baking soda, jeruk nipis, deodoran antiperspirant ngagunakeun loba parfum. Nepi ka ahirna papanggih jeung alum. Saur abdi mah ieu mah murah, sakilo teu dugi ka 15 rebu. Sareng tiasa dipésér di apoték sareng e-commerce.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2162", "text": "Anjeun meureun hoyong kabur kanyataanana nalika anjeun ngalaman kagagalan. Tinimbang nampik jeung ngarasa teu cocog, éta bakal leuwih hadé pikeun anjeun pikeun manggihan solusi ku ngakuan cara teu damang pikeun nyegah kuciwa, sarta ngaganti eta ku usaha pikeun ngaronjatkeun kaahlian jeung kaahlian ngaliwatan recognizing poténsial. diri anjeun boga. sareng ieu kumaha urang tiasa langkung hadé nungkulan kagagalan. Kahiji, Anjeun bisa jadi geus dimekarkeun kapercayaan irasional ngeunaan gagal. Contona, anjeun nganggap kagagalan ngajadikeun anjeun jalma anu moal pernah suksés, jalma anu kamampuan anu goréng, anu henteu pantes, sareng sajabana. Kusabab pamikiran ieu, anjeun jadi sieun kumaha jalma séjén bakal mikir anjeun, jadi Anjeun coba teuas pikeun nutupan nepi jeung nyumputkeun gagal nu Anjeun ngalaman. lajeng Ngembangkeun Pamikiran Realistis Ngeunaan Gagal\r\nNalika anjeun mendakan diri anjeun kalayan pikiran anu teu aya harepan atanapi henteu aya gunana pikeun nyobian deui saatos gagal, teras robih pamikiran ieu. Ngingetkeun diri sababaraha hal realistis ngeunaan kagagalan, kayaning", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9150", "text": "Nalika unggal liburan sakola, kuring sareng kulawarga biasana angkat ka bumi nini nganggo mobil. Kuring gaduh tilu lanceuk anu jarang kamamana naik mobil. Jadi bakal gampang mabok di jalan sabab teu biasa ngambeu bau mobil. Utamana lamun ACna dihurungkeun, bakal leuwih ripuh jeung gampang utah. Aya hiji poé, adi kuring teu tahan ku bau mobilna. Tungtungna anjeunna utah tanpa aba-aba sareng tanpa persiapan. Tungtungna, utahna beunang baju sareng korsi mobil. Anjeunna aya di korsi tengah terus kuring anu aya di korsi tukang ngarasa jijik sareng ampir utah ogé kusabab kabawa seueul. Nepi ka ahirna urang mampir di SPBU pikeun beberesih sarta ogé istirahat.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6339", "text": "Sholat berjamaah mun taraweh teh salah sahiji agenda rutin umat Muslim dina bulan Romadhon. Tah harita mah keur tarawehan teh aya kajadian nu pikaseurieun pisan. Keur khusyuk sholat taraweh rokaat teakhir, eh di shaft panghareupna teh kadenge sora jalma nu hitut tarik pisan. Kaayaan harita keur jempling pisan da keur tasyahud akhir. Pas sora hitut kadangu, kabeh jamaah rareuwaseun, malahan mah aya nu nepi ka teu kuat hayang seuri sabab sora hitutna tarik isan mantak reuwas. Tuluy teu lila teh salam, eh da euweuh jalma anu kaluar jang wudhu deui. Jigana mah eta jalma teh kaeraan hayang kaluarna sabab bisi kanyahoan manehna nu hitut.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2435", "text": "Sakali, sangkan teu telat nyokot pramugari di wewengkon Taman Mini, Jakarta Timur, Yudha nginep di imah babaturan di Lubang Buaya. Ngagunakeun Mitsubishi L300, Yudha mangkat kira-kira jam 01.00 WIB. Basa ngaliwatan parapatan Taman Mini anu ayeuna geus jadi Alun-alun Taman Mini, Yudha neuteup sosok pramugari dina spion. Hartina, inohong linggih dina baris kadua bangku. Sadar kana paneuteupna, Yudha nyoba tenang. Anjeunna nyobian ngayakinkeun dirina yén ieu ngan halusinasi. Meureun kusabab capé kurang saré. Tapi teu lila kadéngé sora gagang panto dicoo, Yudha ngalieuk ka tukang. Tétéla euweuh sasaha. Nalika kami ngaluncurkeun torowongan Taman Mini nuju ka Ciracas, sora gagang beuki nyaring. Ujug-ujug, panto langsung dibuka. Anjeunna teras ditarik sareng nutup panto. Tapi dasarna Yudha resep banyol, anjeunna teras ngalungkeun kecap. \"Ih sétan, tong ngaganggu waé. Nyiar duit halal. Lamun hayang naék, bayar! Siga béngsin milik karuhun. Geus jauh. Tong ngaganggu. Mun rék ngapung, meuli karcis!,\" cenah harita.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "796", "text": "Hiji poe urang meuli tehel ka salah sahiji mall nu aya di Bandung, geus asup tuluy panggih jeung petugas nu jagana. Geus kitu urang nyieun kasepakatan, ceuk petugasna yen tehel teh bakal dikirimkeun saminggu deui. Ari geus kitu mah urang balik, sabari ngabejaan tukang yen saminggu deui gawe jang masangkeun tehel. Pas poe nu geus dijangjikeun, urang jeung tukang nunungguan tehel eta dikirim, tapi nyatana mah acan keneh dikirim-kirim. Jadi isukna urang ngadatangan ka petugasna nu ngajual tehel eta. \"Kumaha sih? Ongkoh geus jangji saminggu rek dikirim, nepikeun ka ayeuna tehel teh euweuh wae!\" Urang ngomong sabari nyentak, tuluy ditambahan \"Tuh tukang geus aya nunungguan ti kamari, tapi tehel can aya! Daek ganti rugi?\"", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2917", "text": "Ngan ngadéngé kecap \"bedah\" mindeng nyieun jalma overly sieun, malah nepi ka titik ngabalukarkeun gangguan saré, turun napsu, palpitasi, seueul, kesang tiis, sarta sagala rupa keluhan lianna. Kaayaan ieu pasti henteu saé pikeun persiapan anjeun pikeun dioperasi. Nanging, hiji hal anu urang tiasa nyebatkeun nyaéta unggal dokter dilengkepan ku kompetensi anu mumpuni dina mutuskeun jinis perawatan anu pangsaéna pikeun pasienna. Upami dokter anjeun nyarankeun yén anjeun ngajalanan operasi, tangtosna ieu mangrupikeun pilihan anu pangsaéna. Sateuacan mutuskeun hiji tindakan, dokter kedah taliti mertimbangkeun mana anu langkung ageung pikeun pasien, naha résiko atanapi kauntungan. Upami dirasakeun yén kauntungan tina bedah jauh langkung ageung tibatan résiko pikeun kaséhatan anjeun, maka ieu bakal dilakukeun. Tangtu, sadayana kalayan idin ti diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5964", "text": "Basa nuju sakola SD mah, Nita teh sering pisan dibully ku babaturan nana sabab mangrupakeun murid baru. Babaturan na ngarasa kasaing ku kaayaan manehna, jadi ngabully wae. Mun balik saola teh Nita mah sok ceurik sabab nyeuri hate sok dipegat di jalan balik ka imah ku babaturan nu sok ngabullyna. Mun di sakola ge sok dijalan sagala rupana, tapi Nita teu wani ngalawan sabab ngarasa sieun ku babaturan nana. Nita ngan teu weleh bageur we ka kabeh babaturan nana. Hiji poe, Nita ngarasa sieun pisan sabab babaturan nana nyegat Nita balik sakola, bari ngadelekan teh nanyaan Nita. Ti saprak harita, Nita teu wani balik sakola bareng jeung batur, pasti we pangpandeurina da bisi dicegat tea. Kadang mah sok ngahaja beberesih kelas heula supaya ngulur waktu balik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5986", "text": "Basa nuju ngojay di kolam nu dua meter teh, Nida meuni ngarasa reuwas pisan. Barang turun kana cai, Nida tisoledat tinu panincakanna, jadi we tuluy ka dasar kolam. Keur kekelebekan teh Nida teu bisa nafas pisan bari panik sabab teu bisa ngojay. Untungna teu lila aya babaturan na nu narik leungeunna ka luhur. Nida bisa hanjat bari engap-engapan keneh. Matana bareureum, nafasna sasah, jeung awakna ngeper balas ku panik jeung sieun tilelep. Untung na masih bisa keneh disalametkeun ku babaturan nana. Tidihya Nida alim deui renang dinu jero sabab bisi tilelep deui. Komo mun dinu tempat terbuka mah, mantak sieun pisan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5274", "text": "Bulan kamari ina ngiringan jadi volunteer bencana alam gempa bumi nu aya di Tasikmalaya. Rina teu kiat ningali korban gempa bumi nu berserakan. Aya nu maot dijajarkeu ngangge kantong jenazah, aya nu luka-luka diurus ku dokter dina tenda kesehatan, aya oge buda nu ceurik wae neangan indungna. Ah pokokna mah kondisina prihatin pisan. Rina teu kiat nahan kasedihna, hate na hancur pisan ningali sodara-sodarana katimpaan musibah sapara ieu. Tapi, Rina salaku relawan kudu bisa nahan kasedihna supaya bisa nguatkeun para korban bencana gempa. Dina jero hate Rina ngarasa bersukur pisan tiasa jadi relawan jang ngabantuan masarakat didieu. Rasa sedih dina hatena saeutik-saeutik kagantian ku rasa syukur.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2611", "text": "Tangtu urang teu hayang konflik SARA lumangsung sarta ngabalukarkeun efek di luhur, katuhu? Di handap ieu mangrupakeun usaha pikeun nyegah konflik SARA. Hayu, tingali! Usaha Nyegah Konflik SARA\n\n1. Ngadeukeutkeun ka Allah\nRerencangan, tangtos parantos terang kana eusi sila Pancasila anu munggaran, nyaeta Kapercayaan Ka Gusti Nu Maha Esa. Hartina urang kudu percaya kana ayana Allah. Unggal agama boga ajaran pikeun ngalaksanakeun parentah Allah jeung ngajauhan sagala anu dilarang Allah.\nGusti nyiptakeun keragaman henteu ngajantenkeun konflik sareng perpecahan. Tapi sangkan urang diajar narima, ngahargaan, jeung silih tulungan.\n\n2. Ngartos ayana panyalindungan hak warga\nSalaku nagara konstitusional, Indonésia ogé ngajamin yén nagara éta bakal nyayogikeun panyalindungan pikeun sadaya hak wargana. Sabagé conto, Indonésia méré kabébasan ka masarakatna pikeun ngagem agama jeung ibadah luyu jeung kapercayaan jeung kapercayaanana masing-masing. Hal ieu kacatet dina UUD 1945, pasal 28 E. Saterusna Indonésia ogé ngajamin yén warga nagarana bébas tina tindakan diskriminatif sarta ngabogaan hak pikeun perlindungan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8965", "text": "Waktu éta, indung kuring kakara meuli oven anyar. Kuring hoyong pisan ngadamel kueh nganggo oven éta. Janten kuring ngadamel campuran kueh sa aya aya. Sanggeus éta, kuring muka bungkusan kardus, terus ngaluarkeun eta oven. Bari teu maca manual bookna, kuring langsung nempatkeun campuran kueh anu parantos dituang kana loyang asup ka eta oven. Lima menit ti harita kuring ujug-ujug kadéngé sora aneh ti jero oven, tuluy ujug-ujug kabeh lampu di imah pareum. Buru-buru kuring cabut colokan oven sareng ngaluarkeun loyangna. Kuring kaluar ti imah rék ngahurungkeun listrik, lajeng asup deui pikeun pariksa kaayaan oven. Tétéla éta oven téh ngaluarkeun haseup, kuring buru-buru ngabersihkeun haseupna. Ku sabab sieun dicarékan ku indung kuring, kuring langsung nempatkeun oven kana kotakna deui, sareng beberesih sadayana anu dianggo.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5120", "text": "Cara supaya teu geumpeur pas mimiti asup kuliah. Kahiji, teangan informasi kelas jeung gedungna. Samemeh kuliah, urang survey heula dimana gedungna jeung di lantai sabaraha kelasna, supaya teu salah asup. Kadua, datang ka kampus maksimal sajam samemeh jadwal kelas. Datang tikaanggalan bisa mantak santai ka urangna, jeung deuih ngaantisipasi bisi leumpangna jauh atawa angkutan kapusna pinuh. Katilu, siapkeun diri urang, boa tinu segi pakean, boa tinu segi kasiapan alat diajar. Tong nepi ka aya nu tinggaleun, mantak barabe sabab kelasna pajauh jeung warung atawa tukang dagang. Nu kaopat, teangan babaturan jang ngobrol. Tah, mimiti asup kuliah teh urang kudu nyampur jeung batur, kudu kenalan, beh aya batur ngobrol jeung batur pakumaha. Komo ninggang tugas kuliah jeung kaperluan ospek mah, beh aya batur patanya jeung baturan neangan parlengkapan ongkoh. Urang ge tong kuuleun, kudu pede we bahwa urang ge bisa nyampur jeung batur.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8559", "text": "Seueur jalma ngarasa era nalika nyarios di tempat umum atanapi di payuneun balarea. Padahal kamampuh nyarita di hareupeun umum teh kacida pentingna. Aya sababaraha hal anu kudu diinget lamun urang ngarasa era nyarita di hareupeun umum. Anjeun teh ahli dina widang anjeun sareng gaduh seueur hal anu mangpaat pikeun dibagikeun. Teu aya anu lepat ngalakukeun kasalahan, eta teh bagian tina proses diajar. Batur henteu datang pikeun ngahukum anjeun, aranjeunna sumping pikeun ngadangu naon anu anjeun carioskeun. Anjeun gaduh kamampuan sareng kapercayaan pikeun nyarios sareng ngabagi ideu anjeun. Unggal waktos anjeun nyarios di payuneun balaréa, anjeun nguatkeun kaahlian sareng kapercayaan diri. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1422", "text": "Basa keur UTS, urang kapanggih niron ku guru. Harita teh keur pelajaran matematika, urang teu bisa pisan. Jadina menta jawaban ka babaturan nu sigana mah geus beres. Pas diakhir-akhir teh urang kapanggih niron, atuh eta mah guru ngadatangan ka bangku urang, tuluy soal urang teh dicoret dibere tanda beureum. Sarua oge nu babaturan urang nu nironkeun, manehanana dicoret. Urang era pisan ditinggali ku babaturan sakelas kanyahoan yen urang teh niron. Jeung era oge ka babaturan ku sabab urang kapanggih niron, manehanana oge jadi dicoret. Tungtungna geus beres UTS eta, urang ka ruang guru, neangan guru mata pelajaran eta. Urang ngomong jeung mengakui kasalahan, tapi urang menta yen babaturan urang ulah dicoret da ieu mah kasalahan urang hungkul.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6365", "text": "Salah sahiji hal nu paling ngisinkeun di muka bumi teh nyaeta salah ngageroan batur. Soalna sok loba anu mirip jeung nu dipikawawuh, boh tampilanna boh posturna. Tah, samemeh ngageroan, kuduna pastikeun heula sing bener eta jalmi nu dipikawawuh atawa lain. Ulah nepi ka geus ngagorowok ngageroan tapi pek teh salah jalma. Mantakna, kudu dipastikeun heula bisi salah jelema. Tingali masing telek enya nu dipikawawuh atawa lain. Mun geus bisa dipastikeun wawuh, karek geroan. Mun ragu hungkul mah kuduna deukeutan heula perhatikeun sing telek, tuluy nembe we putuskeun geroan atawa moal. Sabab bisina bener jalma teu wawuh. Jadi, tong asal ngageroan deui nya!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6911", "text": "Kanggo nyambut adi anyar, abdi sareng adi jeung lanceuk di imah nyiapkeun hiji kamar kanggo orok engke. Lantaran arurang sadayana tos digawe jeung tos garede, urang oge meser acuk jeung seeur pisan pakakas kanggo orok anu nembe lahir. Abdi teu nyangka di yuswa abdi nu tos ampir dua puluh taun abdi gaduh adi deui. Bakal aya hiji deui jalmi di kulawargi urang. Abdi teu sabar hoyon geura mangku jeung nyobian ngamandian orok. Urang sasarengan oge tos mineng lalajo podio kumaha carana ngurus orok nu bener. Pas orokna tos dibawa kai imah, urang sadayana teu ereun gentosan mangku orokna sakali ewang. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2533", "text": "Pirite, atawa \"emas palsu\" sakumaha dipikawanoh (Kuring teu nyebutkeun anjeun teu kudu nyokot eta up, tapi lamun manggihan eta bari néangan batu jeung ngaidentipikasi eta salaku emas nyata, mangka anjeun bakal era jeung malu lamun batur ngabejaan Anjeun. yén sadaya nu kapanggih éta hal umum jeung kirang berharga. Pikeun adil ka uninitiated, aya ogé emas alam dina bentuk kristal nu kasampak pisan sarupa pirit. batu berwarna, bisa jadi eta aya nu naon manggihan téh ngan emas semu, teu emas nyata. Emas nyata bisa gampang dipotong-potong kaluar kalawan digores sedengkeun pirit loba harder ti emas nyata. baris kitu kudu hati hati yen katika nimu harta karun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8540", "text": "Karasa nalika katewak ngalakukeun hal-hal anu goreng teh tiasa pisan ngerakeun sareng nyesek. Urang teh bisa ngarasa pisan teu nyaman jeung ngarasa kaliru pikeun ngalakukeun hal nu salah. Urang teh bisa ngarasa kakeunaan jeung seuri ku batur, sarta bisa ngarasa pisan isin jeung daya teu upaya. Dina kaayaan kitu, urang teh bisa ngaharepkeun bisa mupus atawa ngabenerkeun lampah goreng urang, atawa sahenteuna ngaronjatkeun hubungan urang jeung jalma anu ngarasa kapangaruhan ku lampah goreng urang. Sanajan kitu, kadang balukar tina lampah goreng teh urang bisa jadi hese pisan narima jeung diolah, sarta bisa jadi butuh waktu jeung bantuan pikeun nungkulan eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4039", "text": "Mun pelajaran statistik unggal pertemuan guruna sok ngadakeun ujian, tapi urang poho ngaran ujian na naon. Intina mah unggal angges materi samemeh balik ujian heula, soalna mah ngan hiji tapi sok anakan loba. Geus mah hese terus loba, tapi berhubung urang diuk di hareup jadi urang merhatikeun jelas. Mun diuk di tukang mah sok di ajakan wae ngobrol jeung ngome HP, jadi moal pinter. Pas ujain di bere jarak diukna ku si bapak dosen, meh teu padeukeutan. Tapi nu niron mah angger weh aya, ngan urang mah teu merekeun da geus belajar nyaah mun merenkeun jawaban ka babaturan nu cang tangtu etikana bageur. Terus pas engges ujian, langsung di nilai ku si bapakna. Pas di tempo nilai urang dalapan puluh tilu. Urang atoh pisan lulu ujian teu kudu di remedial jadi weh balik ti heula. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6005", "text": "Basa nuju ameng, Dira sareng Willie teh uulinan sasapedahan ngurilingan kompleks imahna. Pas nepi dk hareupeun salah sahiji imah, Willie nempo tangkal berry anu leubeut pisan, buahna geus bareureum tapi teu dialaan. Geus kitu, Willie ngajakan Dira ngala berry eta. Pas keur asik ngalaan berry, eh nu gaduhna muncul ti jero bumi bari negur yen ulah dialaan. Dira sareng Willie buru-buru indit becir ka imah sabab sieun dicarekan kunu boga berryna. Bari make sapedah nu gancang teh, Dira jeung Willie seuseurian bari rada sieun bisi diudag kunu boga berry eta. Untungna weh nu gaduhna ngan negor hungkul, teu nepi ka nyarekan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9179", "text": "Waktu harita kuring keur di puskesmas marengan lanceuk kuring nu keur mariksa kandunganna. Di gigireun kuring aya budak leutik keur ngadahar kadaharanana. Kulantaran bosen nungguan lanceuk kuring beres, kuring maen game dina hapé, bari ngadendengkeun awak ka belah budak leutik di gigireun kuring. Teu wasa si budak leutik teh keur gering, manehna bersin sababaraha kali. Tadina mah kuring biasa wae, sabab kuring ogé maké masker. Tapi basa budak leutik beresin deui, ciduhna ujug-ujug nyembur kana leungeun kuring. Kuring ngaléos kana korsi kosong gigireun kuring. Tuluy kuring nyokot tisu baseuh nu aya dina kantong kuring, terus ngabersihkeun leungeun kuring nu beunang ciduh budak tadi. Kabeneran sanggeus éta lanceuk kuring ogé beres dipariksa sarta kami balik langsung ka imah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7351", "text": "Taun baru aya seeur wahana anu dibuka di caket supermarket, lantaran pinuh jalmi anu datang, loket kanggo mesen karcis oge pinuh ku jalmi. Tapi tos diantosan nepika dua puluh menit oge angger eta antreanna teu ngirangan malahkah beuki manjangan. Teu lila di dekeut loket aya sababaraha jalmi anu gogorowokan ka patugas loketna lantaran manehna kalahkah sibuk ulin hape. Pantesan we manehna nuju push rank janten teu paduli kaayaan di sakitarna. Tapi pas tos digorowokeun oge manehna angger teu ngalayanan anu bade meser tiket, kalahkah anteng. Pas tos digedor-gedor jeung hapena dicokot ku rerencanganna karek manehna gawe deui ngalayanan anu meser tiket. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6867", "text": "Sareng rerencangan abdi numpak kareta ka Padalarang. Ti Stasion Bandung ngan sakali hungkul, jaba ongkos na oge mirah pisan. Abdi sareng rerencangan ulin ka Puspa Iptek Sundial, museum ilmu pengetahuan jeung teknologi anu nyuguhkeun pangalaman diajar anu rame pisan kanggo murangkalih. Anu paling abdi inget, nyaeta aya sapeda anu jalan dina tali, sapeda na ngagantung. Asalna abdi sieun, teu wantun nyobian sapeda eta, bisi labuh. Tapi lantaran panasaran abdi janten anu pertama nyobian sapeda eta. Pas dicobian abdi ngaderegdeg pisan, tapi epekteh teu oyag, sapeda na tiasa maju mundur. Saatos abdi naek sapeda seeur barudak nu sanes anu janten panasaran oge nyobian numpak sapeda gantung eta.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9552", "text": "Indah ngarasa sedih sanggeus nyaho kolotna maot dina kacilakaan pesawat dinten ieu. Kasedihna teu kaukur basa ngadenge beja ti baraya nu nelepon manehna. Indah teu percaya kana kajadian anu dialaman ku manehna poe ieu. Anjeunna ngarasa saolah-olah dunyana runtuh dina sakedapan. Kolotna salawasna janten sumber kakuatan sareng dukungan pikeun Indah. Indah ngarasa kolotna salawasna aya pikeun anjeunna, ngabantosan anjeunna dina masalah sareng masihan nasihat anu bijaksana. Ayeuna, kolotna geus euweuh bareng jeung manehna, Indah ngarasa kasepian. Indah ngadoakeun yen kolotna sing ditempatkeun di tempat anu endah di sisi Alloh, sarta manehna nyoba salawasna inget kana kahadean kolotna. Sanaos kasedihna teu pernah pudar, Indah ngadoa ka gusti mugia anjeunna tiasa ngalangkungan waktos susah ieu kalayan bantosan babaturan sareng kulawarga anu sanes.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "677", "text": "Harita sabenerna reuwas pas ninggali Yanti ka sakola teh nu biasana make baju ngetat, ayeuna mah dilogoran. Nu biasana katinggali langsing ayeuna mah rada ayaan gendut. Harita pipikiran teh masih keneh positif, nya meureunan ayeuna mah manehna ngagendutan lantaran indungna nu geus balik ti Hongkong teh mawa loba dahareun. Tapi sairing berjalanna waktu, kakara kanyahoan yen manehna teh keur hamil. Urang nu sakelas jeung manehanana oge milu reuwas, malah mah teu nyangka manehanana kitu. Teu lila pas iber eta kasebar, si Yanti kaluar ti sakola. Ari alesanna mah indungna ngajak ka Hongkong jang gawe jadi TKW. Tapi ngadangu ti babaturan deukeutna mah yen si Yanti teh ngalahirkeun, teu lila pas kaluar ti sakola.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9259", "text": "Kuring teh mahasiswa anu biasa uwah uwih ka kampus nganggo angkutan umum. Sapertos biasa kuring badé uwih naék angkot. Perjalanan ti kampus ka imah rada jauh jadi kuring bakal lila di angkotna, pikeun ngahindarkeun jalma-jalma nu kaluar-masuk kana angkot, kuring diukna nyokot tempat pangtukangna jeung milih sare. Sabot kuring nepi, angkot nu ku kuring naek geus pinuh ku panumpang, jadi mun kaluar mah kudu ati-ati ulah nincak suku panumpang anu séjén. Sanggeus anjog di panto sirah kuring teu kahaja nabrak luhureun panto jeung tali masker kuring meunang nyangkut dina kait konci, nepi ka sirah kuring katarik ka tukang saeutik. Nalika kuring neuteup ka tukang, jalma-jalma melong kuring. Kulantaran éra, ahirna kuring langsung ngalepaskeun tali masker anu napel, langsung mayar tuluy ngajauhan ti dinya.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7609", "text": "Angkot di Bandung teh emang rada lieur lantaran seeur angkot anu warnana sarua, tapi jurusanna benten, teras kedah dibedakeun tina nomerna, tapi abdi oge kirang hapal kana nomor-nomor angkot. Biasana mah sok aya angkot anu dutilisan ngaran jurusanna sapertos Riung-Dago, Cadas-Cibiru, Margahayu-Ledeng, jeung sajabana. Tapi seeur oge anu teu aya tulisanna, janten lamun teu kabiasaan mah moal hapal angkot teh ka mana wae. Pernah abdi numpak angkot hejo anu tulisanna ngan soreang hungkul, tapi si sopirna teh kalahkah jalan ka jalur anu teu biasana, lantaran sieun abdi langsung turun bisi dibawa beuki jauh jeung beuki hese balikna deui, untung aya ibu-ibu nu ngawartosan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9165", "text": "Sobat kuring, babaturan ngajar di sakola kacida pisan resepna kana ucing. Dimana wae manggih ucing sok tuluy dipangku bari diusapan. Hiji mangsa aya ucing leutik ngalanto ka ruang guru, ku anjeuna ucing teh langsung dirawatan, diwadahan kana dus bari ditundaan parab. Pas waktuna mulang, dus nu aya ucingan teh ku anjeuna dipernahkeun handapeun meja. Hoyongna mah dicandak uih ucing teh, karunya cenah Ngan hanjakal carogena sok teu panuju. Isukna, isuk - isuk keneh di ruang guru gujrud bau taeun ucing. Kabeh ngarasa jiji ngambeuna. Singhoreng ucing nu diampihan ku sobat kuring teh miceun kotoran dina dus na. Untung sobat kuring teu lila jol sumping. Anjeuna terus miwarangan caraka supaya miceun taeun ucing tea. Ari dipiwarang na bari diburuhan mah teu hese. Sakocepat kolong meja geus beresih deui. Ucingna dipindahkeun kana dus nu anyar, terus dipernahkeun di tukangeun ruang guru gigiren kamar mandi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "731", "text": "Harita keur masantren, urang masantren teh di tempat lanceuk. Da kabeneran lanceuk teh kawin jeung nu mibogaan pasantren. Jadi mun teu di kobong urang sok cicing di imah lanceuk urang. Di ditu mah nongton TV teh ulah, komo deui mibogaan TV. Da meureun pas jaman rosul euweuh TV. Hiji waktu lanceuk urang indit, urang nongton TV di kamarna, bari ngajak babaturan. Teu kanyahoan lanceuk urang geus balik, tuluy urang di tampiling beungeut nepikeun ka beureum. Urang ambeuk sabenerna mah lantaran kakaraeun ditampiling kieu ku dulur sorangan, bari ngomong \"Ari akang bet wani-wani nampiling anak batur\". Anjeunna teu ngajawab deui, da urangna langsung ngaleos.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5254", "text": "Beres SMA, abdi nyobian daftar ka sababaraha kampus nu aya di Bandung. Abdi hoyong pisan lebet ka ITB. Abdi nyobian daftar jalur SNMPTN ka ITB. Pas poe pangumuman kalulusan, abdi dinyatakeun teu lolos ka ITB. Tidinya rada ambek barijeung sedih pisan. Perjuangan salila ieu teh asa sia-ia we hasilna. Abdi asa putus harepan moal bisa deui tembus kuliah. Tapi, abdi masih aya kasempetan di jalur SBMPTN. Ah, urang diajar deui jang tes na supaya lancar jeung hasilna memuaskan! Abdi nyobian deui ngapalkeun parsiapan tes. Mulai rutin diajar ngeusian soal-soal, supaha tiasa siap tempur poean tes na. Yakin ayeuna mah pasti bisa!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5939", "text": "Biasana manusa mah amun boga kasieun teh sok kalah jadi teu wani. Misalkeun aya nu sieun kana binatang cakcak, tah kalah sok ngajadikeun euweuh kawani jang nyabak atawa ningalina oge. Malahan mah aya nu nepi ka jadi phobia. Biasana mah amun kasieun anu terus-terusan diingu jeung teu pernah nyobaan jang ngaleungitkeun nana teh sok kalah jadi phobia. Lamun geus phobia mah sok hese dileungitkeun, perlu penanganan khusus ti nu ahlina. Tong dikira sapele phobia nu muncul tina rasa sieun teh, sabab efekna ge teu alus jang kasehatan awak sorangan. Anggursih mah diminimalisir jeung dicegah ku rasa wani, supaya teu nyiksa diri sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4463", "text": "Di bandara aya anu ngarana patugas porter anu tugas na bantuan mawa bagasi panumpang, lamun urang mawa babawaan bagasi loba lamun embung riweh urang bisa ngagunakeun jasa porter. Make jasa porter teh mantuan pisan urang lamun keur di bandara, kusabab lamun urang karek nepi lamun make jasa porter, bagasi urang di uruskeun kabeh tina di tingguan kaluar nepi ka di dorong tuluy di bantu asupkeun kana mobil. Basa kamari nganter babaturan ka bandara, urang ningaji amang amang jasa porter anu di carekan ku ibu ibu, eta teh cenah sababna amang porter eta kaliwat nyokot barang keur kaluar dina bagasi anu muter tea. Mereun ibu ibu na keur capek jadi kabawa emosi jadi buru buru nyarekan padahal engke eta barang na oge moal leungit bakal balik muter deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1118", "text": "Basa keur masantren oge mindeng kajadian nu mana urang kudu sorangan dikobong, nu sejenna mah balik kampung. Komo mun pas geus deukeut lebaran, biasana saminggu samemeh lebaran teh geus baralik. Harita urang nepikeun ka mondok di kobong babaturan anu can balik, bari mawa bantal. Tuluy sabab kamar cai teh jauh jeung misah ti kobong, urang sok ngahudangkeun babaturan ngameh maturan jang ka caina. Sakapeung mah duaan oge teu cukup, jadi minimal teh tiluan. Lantaran mindeng ngadenge hal-hal anu teu kassup akal ti carita-carita senior jadi kabawa sieun. Urang ge sakapeung mah milu mondok ka imah dulur mun babaturan kobong baralik ka imahna. Lantaran sok keueung, komo handap kobong teh aya tempat nyimpen barang. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5251", "text": "Cara ngaleungitkeun trauma ti leuleutik. Nu kahiji nyaeta fokus ka diri sorangan. iasana mun panggih jeung hal nu dipikasieun urang teh sok leupas kontrol atawa teu fokus, mantakna urang kudu ngafokuskeun diri supaya bisa ngontrol diri sorangan. Nu kadua nyaeta lawan rasa kasieun. Mun urang ti leutik geus sieun sesuatu, nepi ka gede ge bakal sieun wae. Tah ku kituna, urang kudu ngabiasakeun ngalawan hal-hal nu dipikasieun eta. Anggap we hal eta teh hiji tantangan nu pasti bisa ditaklukeun ku urang. Nu katilu nyaeta kudu yakin bahwa urang bisa ngalewatan kasieun urang. Hiji-hijina cara supaya bisa ngalawan kasieun urang nyaeta kayakinan nu muncul ti diri sorangan bahwa urang teh bisa merangan nu ngaranna kasieun sorangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1049", "text": "Urang ulah cicing pas keru di bully, leuwih alus urang ngalaporkeun ka jelema nu bener nu bisa mantuan ngaeureunkeun tindakan bully eta. Dina situasi bully ngan bakal nyieun situasi leuwih buruk jeung beuki parah efek negatifna. Salian eta, ngungkapkeun pangalaman urang sorangan bisa mantuan urang meunangkeun rojongan jeung saran ti batur, siga babaturan, kulawarga, atawa guru. Tapi tangtuna unggal situasi bully bisa beda-beda jeung merlukeun penanganan anu bener. Penting jang mertimbangkeun kaamanan diri jeung neangan bantuan ti jelema dewasa atawa pihak berwenan lamun kudu mah. Ulah ragu jang neangan bantuan jeung rojongan mun urang ngalaman bully, lantaran urang teu sorangan jeung hak urang kanggo ngarasa aman jeung dihargaan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1129", "text": "Lamun serangan panik kajadian, urang kudu nyoba tetep tenang jeung nginget serangan panik teh teu bahaya jeung moal nyebabkeun maot. Serangan panik kajadian lantaran awak urang ngarespon kana situasi nu nimbulkeun rasa hariwang atawa stres sacara kaleuleuwihi. Hal nu penting jang dicobaan nyaeta ngendalikeun napas, nyokot napas sajero-jerona jeung lalaunan, sarta ngaluarkeun napas sacara lalaunan. Hal ieu bisa mantuan ngurangan gejala serangan panik siga sesek napas jeung detak jantung anu gancang. Urang oge bisa ngalihkeun perhatian kana hal nu positif jeung nyoba jang teu memperburuk situasi jeung berpikir negatif. Inget yen serangan panik mangrupakeun kondisi nu bisa diatasi jeung loba jelema oge ngalaman hal nu sarua.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3403", "text": "Kumaha upami gaduh hutang anu langkung ageung tibatan anu anjeun mampuh? Sabenerna ieu pangalaman lanceuk jeung adina mah. Anu jelas nyaéta kahirupan maranéhanana kacau. Utamana adina mah, nu teu weleh nagih hutang ka ditu ka dieu, asa hayang ngahutang nepi ka puluhan juta, da teu nyaho kudu kumaha jeung salaki jeung lanceukna. Kuring nu meunang geutah. Jalma nu mantuan méré duit keur dahareun. Tapi akhir-akhir ieu kuring oge teu tahan, sabab geus puluhan taun dibantuan, teu aya anu robah, naon-naon aya nu ngahutang deui. Sareng kuring terus-terusan ditipu ku aranjeunna. Tungtungna kuring eureun méré duit ka maranéhna. Anjeun nyarios teu tahan sabab aranjeunna ogé gaduh budak. Tapi sabab tanggungan kuring lain ngan ukur aranjeunna. Aya indung kuring, jeung adina kuring anu aub dina injeuman. Janten kuring ogé kedah ngeureunkeun masihan artos ka adina. Alesanana mah Tingali kana bédana di handap ieu: nempatkeun bunga kiridit nu anjeun pikir \"chokes beuheung\" 3% / bulan hartina 36% / taun. Dina usaha nyata, anjeun tiasa kéngingkeun kauntungan 60-100% / bulan. Aranjeunna terang sareng kedah ngajaga cashflow séhat. Ku kituna, maranéhna teu ganggu ku hutang maranéhanana.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "758", "text": "Salah sahiji akhlak anu butut, nyaeta emosional, teu ngontrol emosina,ieu bisa kaasup kana panyakit jiwa oge, Iraha wae jelema ngambek euweuh sebabna engekna manehna bakal kabiasaaan ku ngambek. Bahkan mindeng manehna ngambek ka dirina sorangan. Manehna ngambek ka benda-benda nu dianggap maot di sabudureunna. Misal manehna make sapatu, salah, lantaran teu bisa asup sabab hese. Maka manehanana bisa ngambek ka dirina sorangan. atawa manehna oge bisa ngambek ka sapatu eta. Sakapeung mah di bodoh-bodohi sapatu teh. Jadi jelema mun geus kabiasaan emosional, bakal teu bisa ngontrol diri manehna. Ieu bahaya nu balukarna mun ngobrol jeung jelema nu emosional teh bakal teu nyaman. Ieu kudu dijauhan, lantaran ieu sifat anu butut. ku sabab kitu kudu bisa ngontrol emosi sorangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9155", "text": "Jaman kuring keur SD, unggal isuk di hareupeun panto kelas kuring teh sok aya kokotor coklat jeung siga nu aya bijilna kitu. Sanggeus manggihan, tétéla eta teh utah kalong. Ku kituna unggal peuting kalong bakal ngadahar buah peuting-peuting, tuluy ngamuntahkeun sésa-sésana di hareupeun panto kelas kuring isuk-isuk. Tah ti harita, isuk-isuk geus dilaksanakeun pikét pikeun ngabersihkeun lanté hareupeun panto kelas anu kotor tina utah kalong. Tadina mah urang sarerea ngarasa jijik ningalina jeung teu hayang meresihanna, tapi ceuk Bu Guru teh lamun ngarasa jijik kudu daek ngabersihan, ulah di tinggalkeun wae. Anéhna sanggeus sababaraha bulan, eta tai teh teu aya deui, meureun kalongna teu cicing deukeut sakola kuring deui. Kusabab kitu urang sarerea bungah lantaran teu kudu beberesih lantai di hareupeun panto deui.\r\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6077", "text": "Mun mawa budak leutik ka tempat nu asing teh sok tara betahan pisan. Komo mun mawana ka tempat anu teu merenah mah pasti bakal ceurik wae. Abdi mun mawa budak abdi kunjungan ka mana-mana teh sok hararese sabab teu betahan di tempat anu asing teh, jiga nu kaleungitan sesuatu. Duka pedah kapekaan ana ma masih sensitif keneh, jadi bisa ngarasakeun aura anu aya di sakitaran nana. Mun dicandak ka rumah nini atawa uyutna oge tara betaheun, sok ceurik wae sapopoe teu eureun. Tapi mun dibawa uih mah sok repeh deui jiga biasana. Meureunan bisa apaleun rarasaan di unggal tempat anu disinggahina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5214", "text": "Tos dua minggon bapak teu didamel sabab kena PHK. Abdi sareng mamah kudu mulai ngahemat pisan dugi ka bapak gaduh padamelan deui. Sapopoe ngan tiasa ema jeung endog saaya-aya, teu tiasa ema nu mewah-mewah. Kaperluan oge seueur nu ditunda meserna, ngantosan engke deui we. Ningali bapak jiga nu bingung kedah ngalamar damel dimana deui, tos kaditu kadieu teu acan aya nu nampi, sedengkeun kauangan jeung tabungan tos mulai seep. Akhirna mamah mutuskeun icalan rencang sangu supaya tiasa nambah-nambah panghasilan sapopoe. Teu ageung ge nu penting aya jang meser emam. Kaayaan sulit kieu teh mantak sedih pisan kana kulawarga, mugia tiasa sabar leuwih ti ieu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9172", "text": "Waktu harita kuring balik sakola, saanggeusna kuring ngerjakeun tugas kelompok jeung babaturan kuring di imah babaturan kuring nu ngaranna Dian. Nalika kami dugi, kami disuguhkeun jajanan sareng jus jeruk. Pas kuring rék nginum jus jeruk, kuring ngambeu bau hanyir tina gelas. Sigana gelasna henteu dikumbah leres, janten bau hanyir keneh. Kuring teu tiasa ngambeu bau hanyir, komo nginum tina wadah anu bau hanyir. Kusabab kuring teu hayang nganyenyerikeun hate babaturan kuring, kuring nyimpen deui gelasna jeung nginum cai nu aya dina botol cai kuring. Pas cai dina botol geus béak, kuring nginum jus jeruk tina botol kuring. Baheula mamah sok ngadawuh, mun ngumbah piring, kumbah gelas heula, ngarah teu bau jeung beunang kokotor séjén tina piring jeung barang-barang kotor séjénna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "373", "text": "Urang oge mindeng mikiran omongan batur ngeunaan urang, nepikeun ka sok diinget-inget nepi iraha oge. Ieu nu nyieun urang jadi minder jeung teu pede. Komo jaman SMA mah, urang kaasup jelema anu baperan. Pernah hiji waktu gara-gara urang make jaket loreng, siga motif tentara kitu, tuluy dipake ka sakolaan, ceuk batur teh ngewa make jaket nu kitu. Atuh urang teh teu make deui jaket eta deui, ayeuna mah teuing kamana, padahal urang mah resep. Pernah oge pas maen bola, sabab urang teu bisa tuluy disebut maenna butut, nepi ayeuna henteu maen bola deui, komo lamun maen bolana ditongton ku lobaan sok langsung weh minder jeung embung ninggali ka sakitar.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5952", "text": "Kamatian teh mangrupakeun suatu hal nu pasti bakal tejadi ka unggal jalma. Biasana, kamatian mah datang dina waktu nu geus ditangtukeun, nu kabeh manusa teu apal iraha waktu kamatian nana. Ku kituna hayu ti ayeuna urang siapkeun bekel jang jaga di akherat, ulah nepi ka kaduhung mun geus maotna. Meungpeung hirup keneh jeung aya keneh kasehatan, yuk urang siapkeun amal kahadean sing loba supaya bisa jang bekel ka akherat jaga. Ulah sieun ngahadapi kamatian, justru kuduna mah bagja sabab geus diteang ka alam nu sabenerna, alam nu urang bakal kekal ayana diditu. Ulah nepi ka ngarasa rugi berbuat baik, sabab kabeh ge pasti aya balesan nana. Jadi, yuk urang teang amalan jeung pahala saloba-lobana supaya bisa dipake bekel jang kahirupan di akherat!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2149", "text": "Mangtaun-taun katukang, Nini kuring maot. Belaiu parantos ngalawan kanker otak salami 2-3 taun. Bedah, kémoterapi, sagalana geus rengse. Antukna, bapa kuring nu ka-5 ti 7 duduluran, unggal poe ngalongok. Pastikeun sadaya biaya rumah sakit dibayar. Ngalilipur indung nu geus teu bisa nanaon. Malah sanggeus si Nini ahirna dipulangkeun ka imah teu aya di rumah sakit deui, Bapa sok balik ti pagawéan, teu weléh kacapé, tuluy ngajak ngobrol, ngamandian, jeung nepangan si Nini. Dina wanci-wanci ahirna, anak, incu, minantu, ponakan, jeung dulur-dulur Nini ngariung di imah, siga geus nyaho tanda waktuna geus ampir datang. kira-kira jam 8–9 peuting, urang ngurilingan ranjang anu digolérkeun ku nini kuring sareng ngadoa bari pamitan ka anjeunna. Dina tungtung ngadoa Nini maot, kadangmah parasaan dimana insting keluarga sok teu tiasa di paparkeun, yen ker kabeneran kabeh ngarumpul, didinya mereunan panggilan ti nini yen nini rek maot.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2447", "text": "Abdi kaget pisan dinten ieu. Dinten ieu abdi kenging hadiah istimewa ti Bapa sareng Mamah. Hoyong terang hadiahna? Abdi dipasihan jam tangan énggal, warna bodas. Abdi parantos lami hoyong jam tangan. Tapi, hadiahna gratis. Kuring meunang hadiah sanggeus kuring némbongkeun kolot kuring yén kuring bisa ngahontal naon Kami kiwari. Caritana, minggu kamari kuring milu pasanggiri Matematika. Masalahna rada hese, tapi kuring ngalakukeunana sacara serius. Hiji peuting kuring ngapalkeun rumus matematika, bari ngadahar jajanan, dina bentuk keripik kentang gurih. Nalika juara kadua diumumkeun kuring malah beuki hariwang, sarta ogé ... Kuring meunang tempat kadua. Senang… meunang jam tangan panganyarna. Kolot ngarangkul kuring, reueus pisan. Nampi piala, piagam sareng sertipikat. Kuring langsung indit ka toko arloji kawentar, Kuring milih paling unik tur alus. Bapa mayar ka kasir, sanggeus éta kuring balik ka imah. Kuring maké arloji kalawan bagja.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6337", "text": "Rani teh nuju ngumpul jeung babaturan nana di kostan Isna nu aya d deukeut pujasera. Mimiti na mah ngobrol ngaler ngidul sakahayang, sagala rupa dibahas da meungpeung amprok jeung babaturan. Pas keur ngeunahna ngobrol, Rani ngarasa mules pisan hayang hitut, tapi era di hareupeun babaturan na mah. Rani tuluy kaluar kostan we jang hitut. Geus kitu, singhoreng mah sora hitut na teh tarik pisan nepi ka kadangu ku babaturan nana nu dijero kamar. Kabeh nyalengseurikeun kalakuan Rani nu hitut jauh tapi kadangu keneh. Rani ngarasa era pisan tapi teu bisa eureun seuri sabab kagugu ge manehna kana sora hitutna sorangan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "759", "text": "Aambekan bari euweuh sebabna sakapeung mah sok disalurkeun ku nonjok-nonjok diri sorangan atawa ka benda-benda maot nu aya disabudureun urang. Padahal eta ulah dilakukeun, nu aya benda-benda nu disabudureun teh bakal raruksak oge teu berfungsi deui sakumaha mestina. Komo deui mun ngambek ku cara nonjok-nonjok diri sorangan, bisa-bisa awak bakal barabak oge kanyenyerian. Urang kudu tenang jeung tarik nafas anu panjang, jeung usahakeun cicing heula ngarah teu babari ngalampiaskeun. Lamun kitu wae mendingan langsung ngadatangan psikiater atawa psikolog jang dipariksa ku naon bet kitu wae. Bisina aya stress atawa keur kacapean, jadi engkena kanyahoan, jeung urang bisa apal kumaha cara ngareureuhkeunna mun situasi kitu datang deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2489", "text": "1 taun di kelas sareng anjeun tiasa ngabayangkeun kumaha keuheulna nalika kuring disangka sareng resep anjeunna sanajan kuring henteu sakelas sareng anjeunna nalika kuring di SMA. manehna oge bolos kuliah gara2 pindah ka sakola penerbangan...dina hate aing bungah teu ulin dong kwkwk naon sababna aing teu daek di kamar deui jeung taun ayeuna mah. Papanggih deui budak ieu sareng réréncangan sanés anu ogé réréncangan SMA kuring di tempat les, hanjakalna anjeunna masih terang kuring sanajan kuring nganggo masker sareng ningali ka arah anu sanés ya allah kadang kuring mikir yén dunya ieu leutik teuing kanggo kuring sapertos kuring. teu gaduh rerencangan sanes kitu, kirang langkung kirang langkung 120 alumni SMA abdi saangkatan meureun tapi murangkalih hiji ieu ngarekor rekor salaku rerencangan lami anu sering kapanggih.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2554", "text": "Nyedek bari seuri sering dilakukeun tur dianggap remeh. Kanyataanna, body shaming bisa ngabalukarkeun gambar diri négatip di panon batur. Korban ejekan bakal ngarasa dirina cacad jeung sia. Hasilna, aranjeunna tiasa ngalaman setrés anu nyababkeun déprési.\r\nTeu eureun didinya, korban body shaming malah sok mikiran pikeun ngeureunkeun nyawana ku cara bunuh diri. Gejala anu muncul bakal gumantung kana parah depresi. Henteu ngan ukur korban bullying, para palaku bullying ogé peryogi bimbingan para ahli supados ngaleungitkeun kabiasaan goréng ieu.\r\nUpami anjeun ngalaman depresi hampang anu ngaganggu kagiatan sapopoé sareng hubungan sosial anjeun, geura janjian sareng spesialis di rumah sakit anu caket tina aplikasi Halodoc. Alesanana, depresi hampang anu diantep bakal jadi depresi parna anu bakal ngaganggu hubungan sosial anjeun jeung lingkungan sabudeureun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9251", "text": "Sangkan urang teu isin sabab cenah boga bau badan, aya deui bahan-bahan alami anu bisa digunakeun pikeun ngaleungitkeun bau awak, nyaéta ku cara ngagunakeun daun sirih. Daun sirih mangrupa antibakteri sarta dipercaya bisa jadi panghilang bau awak alami. Pikeun meunangkeun mangpaat tina daun sirih ieu, urang tiasa ngulub daun sirih teras diusap dina kulit nalika mandi. Sanaos seueur cara pikeun ngaleungitkeun bau awak sacara alami, panalungtikan satuluyna masih kedah dilakukeun ngeunaan efektivitas sareng kaamanan tina rupa-rupa bahan alami ieu pikeun ngaleungitkeun bau awak. Urang tiasa nyobian nerapkeun sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun bau awak di luhur. Sanajan kitu, lamun bau awak teu leungit, urang kudu menta nasehat dokter pikeun meunangkeun perlakuan anu bener.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2552", "text": "Janten yakin. Ieu lain hartosna anjeun kudu salawasna ngarasa percaya diri, tapi ngalakukeun pangalusna anjeun kasampak yakin. Ku kituna, anjeun teu gampang teuing teased. Jalma anu intimidated ku jalma percaya diri. Upami anjeun henteu tiasa ngaduga naon anu anjeun carioskeun, aranjeunna moal tiasa ngagoda anjeun. Aranjeunna terang yén aranjeunna bakal katingali sapertos idiot upami anjeun tiasa ngajawab teasesna kalayan pinter.\nCoba ngalambatkeun ucapan anjeun. Nalika gugup, jalma condong nyarios langkung gancang. Janten cobian ngalambatkeunana, sareng anjeun bakal katingali langkung percaya diri.\nLalajo basa awak anjeun. Ieu bisa disada klise, tapi nangtung lempeng, tarik taktak anjeun deui, sarta tetep gado anjeun nepi. Anjeun bakal kasampak jeung ngarasa leuwih percaya diri.\nNgobrol jeung nini atawa akina tatangga hareup anjeun, atawa salah sahiji babaturan mom urang, atawa lanceukna saeutik sobat urang. Ngobrol jeung jalma anu moal ngaheureuykeun anjeun, sarta lamun anjeun teu boga babaturan nyieun anjeun gugup. Langkung seueur prakték, langkung gampil ngobrol sareng jalma dina kaayaan anu langkung stres.\n", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8514", "text": "Tong nika keun seuri batur mangaruhan perasaan jeung harga diri urang. Urang sadayana gaduh kalepatan sareng kalepatan, sareng eta henteu ngajantenkeun urang langkung handap tibatan batur. Terus percanten ka diri anjeun sareng percanten ka diri anjeun. Tong ngarasa isin atawa minder sabab babaturan sakelas seuri ka anjeun. Sarerea jalma geus nyieun kasalahan jeung keur disengseuriken mangrupakeun hal umum dina kahirupan. Ngan narima eta kalawan seuri tur jadi diri. Entong nika ngantepkeun komentar batur mangaruhan perasaan anjeun sareng teras-terasan nyobian janten langkung sae unggal dinten. Tong seuri batur mangaruhan perasaan jeung kapercayaan urang. Urang kedah gaduh diri sareng bangga kana keunikan urang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7252", "text": "Rafathar jeung Nagita kantos diprank, ayeuna Mamah Ami anu diprank ku Raffi sareng tim YouTubena, RANS Entertainment. Pas nuju emam sasarengan, Raffi jeung Nagita nyarios ka Mamah Ami yen imah Raffi ayeuna kedah dijual lantaran YouTube na oge bade diical. Raffi ngakuna manehna gaduh hutang anu gede, janten kedah dibayar ayeuna. Imah Raffi anu di Lebak Bulus oge bade dijual, pokona sadayana siap-siap kedah ngontrak. Mamah Ami teu percaya kana naon anu diomongkeun ku Raffi jeung teu satuju lamun imah Lebak Bulus diical lantaran di dinya seeur pisan kenang-kenangan Mamah Ami jeung kulawargina basa masih kempel sateuacan Raffi nikah jeung Nagita.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5299", "text": "Salah sahiji hal paling sedih dina kahirupan ieu nyaeta kudu papisah jeung kolot salami-lamina. Enya, sedih pisan rasana mun ditinggalkeun maot ku pun mamah. Asana teh sagala nu aya di dunia ieu teh teu berarti ai teu aya sosok indung mah. Dina ngajalani aktivitas sapopoe ge bakal ngarumas. Model beberes imah jeung sagala urusan imah nu biasana diurus ku indung, ayeuna kudu serba ku sorangan ngagantian indung. Nya kateter, nya sedih, nya nyeuri hate oge da rada soak. Imah teh asa euweuh nyawaan ai euweuh indung mah. Euweuh nu nyairkeun suasana, euweuh nu nenangkeun mun keur aya masalah, euweuh nu nguruskeun sagala kaperluan, euweuh nu mikanyaah sajero-jerona. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3418", "text": "Pasti anjeun bakal wondering ngeunaan tulisan kuring, ceuk sakabeh merek deodorant euweuh pangaruh, tapi kumaha anjeun masih make deodorant. Ku kituna, naha kuring masih ngagunakeun deodoran téh lantaran kuring sadar yén lamun kuring ngan ngalakukeun kagiatan di luhur tanpa ngagunakeun deodorant, bau awak kuring bakal kaciri, sanajan kuring ngan diuk:')\r\nTeras ayeuna abdi oge gentos kana deodorant spray merk Jogja lokal namina Diera. Kuring pendak sareng Diera nalika kuring damel di Jogja sareng nyobian deodoran pikeun senang-senang. Ternyata deodorant teh bener-bener mujarab pikeun ngirangan bau badan sareng burquet... Jujur abdi oge reuwas, ternyata aya oge deodorant anu tiasa ngéléhkeun bau badan abdi huhuu. Produk ieu ngandung ekstrak witch hazel anu cenah ngabantosan ngirangan pori-pori kulit supados tiasa ngirangan kesang. Juara pisan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6851", "text": "Lamun mineng balanja pulsa, abdi sok meunang poin dina aplikasi. Lantaran mamah jeung bapa masih keneh make hape cinitnit biasa, abdi mineng pisan ngeusian pulsa kanggo mamah jeung bapa. Abdi mah atoh we lantaran poin ti meuli pulsa eta asupna ka akun kuring. Nembe sabulan oge abdi tos meunang tilu ratus poin. Poin ieu teh tiasa ditukerkeun kanggo hadiah. Aya hadiah utama, nyaeta mobil jeung motor metik. Abdi iseng nuker poin kuring anu tos lima ratusan. Abdi oge ngahaja janten jual pulsa kanggo tatanggi supados meunang leuwih seeur poin. Pas kuring nuju emam, jol aya sms yen kuring meunang hadiah utama nyaeta motor, kuring dititah datang ka kantorna kanggo narima hadiah. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6918", "text": "Abdi bingung pisan kumaha carana ngomong ka mamah bapa lantaran manehna can apal yen abdi tos di-PHK. Abdi tos jauh-jauh ngarantau ti kampung ka kota supados tiasa meunang duit loba kanggo mamah bapa di kampung. Tapi abdi teu nyangka tungtungna bakal kieu. Geus sapoe ieu abdi teu acan emam lantaran teu napsu. Abdi nyobian milarian pagawean sarabutan naon wae pokona kanggo nutupan kabutuhan sapopoe abdi di kota. Abdi oge masih keneh kedah mayar kosan jeung ngirim duit ka mamah jeung bapa. Abdi kapaksa nganggo tabungan kanggo tetep tiasa milarian gawe, ngagantosan pagawean anu ayeuna. Pokona abdi moal balik ka kampung lamun can digawe deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8990", "text": "Diantara sabelas putra emak, kuring nu pangseringna dipiwarang ku ema bubuhan kuring mah pangdaekanana, kitu ceuk ema teh. Dina hiji dinten, keur meumeujeuhna panas poe moreret, ema miwarang kuring nyanggakeun rantang nu eusina rupa-rupa katuangan ka bumina pa kuwu. Ari pa kuwu teh kaleresan ngukut soang aya kana limana. Sabenerna kuring rada hemar hemir bade lebet ka karang bumina nu lega teh da puguh sieun dilodok soang. Ceuk beja soang mah sok ngalodok lamun ka jalma anyar pinanggih. Bari rada sieun ge kuring maksakeun asup ka karang bumina. Panon rada rurat reret sok sieun soangna keur araya di buruan hareup. Karek ge rek tepi kana terasna, duka timana holna ujug-ujug aya hiji soang nyirilik ka kuring bari disada tarik pisan. Puguh atuh kuring reuwas jeung sieun. Rantang nu dicekel ku leungeun katuhu ampir lesot. Untung ibu kuwu kabujeng norojol ti lebet bumi ngadangu sora soang nu gandeng. Anjeuna ngahiap ka kuring supaya enggal lebet ka bumina. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1046", "text": "Ngarasa sieun jeung teu aman jadi salah sahiji efek nu mindeng dialaman ku urang salaku korban bully. Urang ngarasa teu aman jeung kaancam bahaya. Hal ieu bisa disebabkeun ku perasaan sieun yen maranehna bakal tuluy nyerang urang sacara fisik atawa verbal. Urang mindeng ngarasa teu bisa ngaprediksi atawa ngontrol situasi, jeung ningkatkeun perasaan nu teu aman. Mindeng ngarasa teu bisa menta bantuan atawa ngalaporkeun kajadian bully lantaran sieun bakal aya balesan ti pelaku nu leuwih buruk. Perasaan sieun jeung teu aman mibogaan dampak kana kasehatan mental jeung fisik urang. Urang ngalaman stres jeung depresi nu bisa mangaruhan kamampuan jang diajar oge gawe.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8915", "text": "Aya sababaraha cara pikeun ngatasi gugup atanapi kasieun panggung. Kahiji, ngadominasi panggung. Nalika éta ngadeukeutan dinten penampilan, kahariwang tiasa sumping iraha wae. Anu tiasa urang lakukeun nyaéta adaptasi sareng tempat anu badé dianggo. Hal ieu dilakukeun sangkan urang bisa mikanyaho ukuran panggung jeung merhatikeun suasana lingkungan tempat pagelaran. Kadua, tong hilap olahraga. Kusabab olahraga tiasa ngabantosan urang ngajaga kaséhatan méntal sareng tiasa ngirangan setrés. Olahraga tiasa micu kanaékan endorphins sarta bisa nulungan urang tina stress. Katilu, nengetkeun penampilan. Hal utama anu bakal katingali ku panongton nalika ningali urang di panggung nyaéta penampilan urang. Ku alatan éta, pilih baju anu cocog sareng téma acara sareng nyaman kanggo dianggo.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6285", "text": "Mun imah tara diberesihan mah sok jadi sarang sarangga. Misalna mun bale geus lila teu diberesihan lalangitna, tah bakal loba lancah nu ngeuntreup tuluy ngabentuk ramat lancah. Biasana ramat lancah teh sapeuting ge sok ngalobaan di mana-mana. Salian lancah, sok loba oge sarangga nu lain, jiga kecoa, tonggeret, jeung sajabana. Komo kecoa mah unggal juru imah teh aya wae, jeung dina parkakas nu teu kapake teh bakal euntreup jeung nyayang. Kecoa mah beukieun pisan tempat nu kotor. Mantakna di sagala tempat nu kotor teh pasti we aya kecoa, termasuk tukang dagang sisi jalan nu sok loba kecoa di handapeun warungna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4050", "text": "Pangalaman amprok jeung idola anu di pika resep pastina mangrupikeun kabungahan hate anu moal bisa di pohokeun, soalna ti samemeh amprok ge urang geus ngusahakeun ngumpulkeun artos da nanaon ge kudu make artos, tina perjuangan anu cape fisik jeung mental eta urang bisa ngawujudkeun impian urang amprok jeung idola anu salama ieu di pika resep. Rasana amprok pas barang miti kaluar ti panggungung urang langsung gogowakan nepika leweh ku banding bungah pisan, terus urang bari gogowakan teh nyanyi babarengan jeung batur bari ngagupaian light stick hejo. Komo mun pas nyanyi lagu-lagu sedih mah, urang leweh teu eureun-eureun ku sabab asa ngarasa bangga ka diri sorangan jeung bungah bisa amprok jeung idola. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7801", "text": "Abdi heran pisan naha di kampus negeri teh aya kehen fakultas anu musola sareng kamar caina rujit pisan. Geus mah cai na teu ngocor, kadang oge teu aya cai. Matak teu heran lamun seeur jalmi anu teu kaburu ngabanjur tilas ngisingna lantaran cai na oge teu cekap kanggo ngaberesihan tilas maranehna. Salah sahijina di kampus kuring anu lantena teh leeur bakating ku teu pernah disikat, garila pokona mah. Pantona oge teu tiasa ditutup, dina wc na oge sok aya kokotor tilas batur anu bau pisan, eweuh jalmi anu daek ngaberesihanna lantaran geleuheun. Padahal ieu teh kampus negeri anu bayaran semesterna oge garede. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3237", "text": "Loba jalma teu boga haté atawa kamampuhan pikeun nempo kajadian dahsyat ngalibetkeun manusa. Hal ieu kacida lumrah sabab urang téh manusa jeung éta téh mangrupa fitrah manusa nu kacida dasarna, nu dasarna jalma biasana teu boga haté pikeun nganyenyeri batur. Perasaan simpati pisan alam. Setrés anu disababkeun ku ningali ieu mangrupikeun setrés akut anu samentawis bakal ngarobih sistem otak sahingga pamustunganana tiasa nyababkeun gejala fisik sapertos seueul atanapi perasaan hayang utah. Nalika anjeun ningali pilem, tangtosna ieu béda sabab anjeun parantos ngartos sareng pikiran anjeun pinuh ku konsép yén anu anjeun tonton ngan ukur pilem sareng henteu leres-leres. Éta kabiasaan kognitif. Pangaweruh bakal ngarobah konsép pamikiran anjeun.\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6023", "text": "Mun aya nu sieun ku jarum suntik, komo geus kaleuwihan mah, mending ge diajakan terapi ka dokter atawa psikolog, supaya kasieunna bisa leungit. Sabab bakal kasiksa mun nepi ka kolot teh sieun wae ku jarum suntik, da dina hirup ieu teh bakal disuntik jang kaperluan kasehatan. Mantakna, mun gaduh kasieun kana jarum suntik, kudu nyobaan terapi, misalna ku terapi pemaparan anu bakal ngabiasakeun kana jarum suntik jeung deuihan bakal dibere terapi sacara bertahap ngeunaan suntikan. Teu kudu sieun atawa geumpeur, sabab pasti bakal dilakukeun lalaunan jeung tahap demi tahap, moal langsung kana intina. Mantakna, yuk diajar teu sieun kana suntikan ku cara miluan terapi!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7850", "text": "Abdi diajakan ku rerencangan nyobian salah sahiji dahareun anu keur viral, abdi oge panasaran lantaran pangaosna oge rada mirah, sanajan kedah ngantri lila pisan lantaran seeur nu hoyong nyobian oge. Sabenern ieu teh dahareun biasa, risoles anu mineng abdi dahar, tapi cenah mah eusina benten, nyaeta mayones, endog jeung daging haseup. Abdi sareng rerencangan ngahaja meser seeur supados teu ngantri deui jeung supados anu sanesna tiasa nyobian oge. Pas tos meunang risolna, urang langsung nyobian lantaran geus panasaran. pas abdi nyobian abdi ngarasa teu ngeunah lantaran mayonesna geus rada haseum, sugan teh abdi hungkul nu ngarasa, tapi rerencangan abdi oge ngarasaeun. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9591", "text": "Wah alhamdulillaah, akhirna ditarima oge di kampus anu diimpi-impikeun ti SMA. Sanajan kudu nunda heula sataun jang nyiapkeun SBMPTN, akhirna kalaksana oge bisa kuliah di kampus negeri. Perjuangan sataun kamari ngisi waktu luang sabari gawe jeung belajar akhirna kabayar oge. Alhamdulillaah berhasil jadi calon mahasiswa Manajemen Komunikasi. Lamun inget perjuangan kamari pas persiapan SBMPTN, rasana atoh pisan kusabab pas ngiring tes sainganna ketat, abdi kacida bersyukur pisan bisa jadi bagian kampus ieu, kampus anu diimpi-impikeun ku abdi ti kelas 11 SMA. Semoga saentos ieu abdi tiasa semanagat jang belajar di kampus ieu. Atos ieu abdi tinggal siapkeun persyaratan anu dibutuhkeun ku kampus.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9208", "text": "Lamun peuting-peuting, beurit-beurit teh biasana kaluar jeung lalumpat meuntasan jalan. Malah teu saeutik nu ahirna teu kahaja kageleng ku kandaraan nu ngaliwat. Wanci isukna, di jalan-jalan geus loba beurit anu paéh, aya anu awakna bécék, sirahna rata, aya anu organna nyembur kaluar, getihna kamana-mana, jijik pokona mah. Meureun ku sabab loba nu ngarasa jijik oge, ahirna eweuh nu berinisiatif ngabersihkeun atawa nyingkirkeun eta beurit ti jalan-jalan. Teu jarang bangkai beurit jadi rata dina aspal jalan lantaran sering teuing kageleng kandaraan. Tapi aya kalana ogé kajadian dimana kiwari aya bangkai beurit di jalan, teras isukna leungit sarta jalan beresih sakumaha biasana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8546", "text": "Upami aya anu kabejakeun yen anjeunna bau goreng, aranjeunna teh biasana bakal ngarasa teu nyaman sareng era. Aranjeunna tiasa hariwang yen batur bakal nyingkahan aranjeunna sareng henteu hoyong aya di sabudeureunana. Ieu bisa mangaruhan kapercayaan maranehanana sarta nyieun aranjeunna ngarasa teu nyaman dina situasi sosial. Eta oge bisa jadi jengkel sabab teu sadar bau eta dina aranjeunna sarta teu nyaho kumaha carana nungkulan eta. Ieu bisa nyieun hiji jalma ngarasa teu nyaman pisan komo mangaruhan kinerja maranehanana di gawe atawa sakola. Ku sabab eta, penting pikeun jalma anu masihan komentar pikeun mikir dua kali sateuacan nyarioskeun hal anu tiasa ngerakeun batur.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2472", "text": "Kahirupan teu salawasna ngeusi hal serius. guyonan antara jalma ogé diperlukeun sangkan hubungan warmer tur leuwih intim. Henteu ngan ukur ku kecap sareng telepon \"kasar\" piaraan anjeun, kejutan leutik, alias ngalakukeunana, tiasa ngajantenkeun silaturahim anjeun langkung intim. Biasana anjeun bakal ngalakukeun dina momen-momen anu tangtu sapertos ulang taun.\n1. Kecoak leumpang dina lampu kamar pasti matak sieun. Tenang, anjeun tiasa ngadamel tina kertas.\nSaha anu teu sieun ku kecoak? Lajeng ngan ngamangpaatkeun status sosial kecoa salaku bahan sangkan anjeunna ngarasa reuwas. Cukup jieun pola kecoa tina kardus hideung, teras pasangkeun kana lampu anu linggih dina méja ranjang atanapi lampu belajar. Tah, pas manehna ngahurungkeun lampu, tadaaaa!!!! pasti lumpat ngajerit sieun. Padahal ukur kertas!\n2. Babaturan anjeun bakal maot ku gaya nalika aranjeunna terang yén mobilna kajebak ku karanjang balanja~\nSalah sahiji indikator pranking suksés nyaéta yén éta tiasa ngajantenkeun anjeunna kaleungitan gaya sareng henteu terang naon anu kudu dilakukeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6067", "text": "Mun keur sorangan mah sok muncul rasa sieun teh, pangpang na mah sieun ku jelema, lain teuing sieun ku jurig. Jalma mah sok leuwih nekad jeung wanian. Mantak, mun keur sorangan teh kudu sing pageuh ngoncian panto jeung jandela. Ulah nepi ka neundeun barang berharga di luar, asupkeun kabeh ka jero imah supaya aman. Tong hilap oge siaga siapkeun alat jang ngalindungi diri dina kaayaan darurat. Mjn keur sorangan teh ulah sok wawar ka batur, bisi aya nu niat goreng atawa rek ngamangpaatkeun. Komo mun nepi ka wawar ka batur mah tuluy aya nu ngamanpaatkeun kasemoatan jang ngabobol imah. Mending mun barang bawaan nu dijarah, mun awak urang jadi korban kan teu lucu. Jadi, mun keur sorangan teh kudu siap siaga kana sagala hal.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5531", "text": "Kamari abdi kenging hadiah jalan-jalan ka sababaraha tempat wisata nu aya di Subang. Poe mimiti, abdi check in heula di homestay nu tos ditangtukeun ku perusahaan. Tah kabeneran homestay na teh di tengah kebon enteh nu pamandanganna alus pisan. Poe kadua, abdi diagendakeun kunjungan ka wisata alam Capolaga. Istunding sapopoe ngaeksplore sagala nu aya di ieu tempat wisata. Poe katiluna abdi diagendakeun ulin ka pemandian air panas Sari Ater. Wah ngeunaheun pisan, aya curug oge nu caina panas. Poe kaopatna nyaeta abdi bagean uih deui ka Sumedang sabab tos beres waktu jalan-jalanna. Pokokna mah rame pisan bisa liburan gratis jiga kieu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8948", "text": "Baheula, kuring pernah nyaksian aya anu dibully di sakola kuring, waktos éta kuring can wawuh jeung teu terang anjeunna teh saha. Anu jadi sabab jalma éta dibully téh lantaran teu bisa nyarios. Aranjeunna ngabully babaturan kuring ku nuang cai kotor kana bajuna. Kuring nempo sobat kuring ceurik pedah ku sieun, anjeunna teh mohon-mohon ka nu ngabully pikeun enggesan ngabullyna . Kuring teu medulikeun anjeunna dina waktu éta teh, sarta ngan jalan weh kitu. Tétéla isukna kajadian bullying deui, kuring nempo manehna maok duit ti babaturan kuring eta. Kuring langsung lumpat ka rohang guru tuluy ngalaporkeun. Anu ngabully dibawa ka ruang guru sarta dihukum ku kalakuanana. Aranjeunna dibéré hiji surat peringatan sareng diskor tilu dinten. Sanggeus kajadian eta kuring nyobaan babaturan jeung babaturan kuring nu keur dibully eta, ternyata manehna teh budak bageur. Kabeneran sanggeus éta sobat kuring teu kungsi dibully deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5668", "text": "Kadang sakabeh manusa pasti pernah ngarasaan sedih atawa jengkel tapi teu apal sebab na kunaon. Tah saur ustadz mah, eta teh hal wajar bagi kaum muslim. Mun ngarasakeun hal nu kitu, cingcirining Allah keur sono ka umatna atawa Allah hoyong kasedih jeung kajengkel eta teh jadi palebur dosana. Jadi, hukuman teh lain hungkul tina musibah atawa cobaan, tapi oge tina datangna rasa sedih jeung rasa jengkel nu teu puguh. Eta teh tanda na Allah menta umatna supaya memohon jeung bersujud, supa eling, jeung supaya bisa ngalebur dosana. Sabab lobana dosa teh nu teu karasa oge keir dilakukeunna. Tah, ieu jadi salah sahiji pelebur dosa nu ringan kangge umat muslim.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1136", "text": "Mindeng ngalaman hal-hal aneh di leuweung teh, sanajan leuweung sepi tapi sakapeung mah sok aya sora-sora aneh nu rame pisan, siga aya pasar di tengah leuweung. Jadina teh tara wani ka luar tenda mun geus kaayaan di jero tenda, mun hayang ngompol ge sok ditatahan, komo mun asup peuting mah. Salian sieun tina hal-hal goib, di leuweung ge sakapeung mah sok aya hewan-hewan buas. Matakan mun nyieun tenda teh tara di jalur tempat leumpang, biasana sok rada nyisi soalna loba hewan buas nu ngagunakeun jalur jang leumpang eta. Ngameh teu ngadenge sora-sora aneh biasana sok langsung masang headset jeung nyetel musik ngarah teu kadenge.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4304", "text": "Rokok kabiasaan anu paling bisa ngajieun panyakit anu teu di sangka sangka boh jeung nu ngarokok na arawa perokok aktifna boh kani jelema anu aya di deuketna atawa perokok pasifna. Jelema anu geus iasa ngarokok biasana jadi kacanduaan teu bisa atawa hese pisan ereun, padahal mah dina bungkus rokok na geus aya gambar panyakit panyakit anu kacida parah na. Panyakit na teh lain saukur panyakit batuk pilek, tapi tumor kanker, kanker oge loba rupana. Aya kanker paru paru kanker mulut laring jeung sagalana. Panyakit ieu mungkin pisan bakal kajadian ka jelema anu beuki pisan ngarokok, tapi jelema anu geus biasa ngarokok biasana sok teu sadar mimitina, teu di rasa. Lamun geus parah kakarek reuwas sedih jeung kapok.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5984", "text": "Keur latihan arung jeram, abdi teh turun dina cai nu badag pisan. Kabeneran harita tas hujan gede, jadi jeramna ge baradag pisan. Keur turun na parahu, pas neunggar jeram nu gede, parahuna tibalik. Abdi ngacleng jauh tina parahu, ngangkleung dina cai. Barang tibalik parahu na teh abdi kateuleum dihandapeun parahu. Abdi lumayan jero titeuleum nepi ka dasar wahangan, tuluy teu lila ngambul deui ka permukaan wahangan. Abdi harita ngarasa sieun sabab labuhna pas dina jeram pisan, sieun kagulung ku hole. Untungna we bisa ngambul deui ka luhur sabab make palampung. Mun henteu mah jigana bakal panik pisan mun cacaian deui teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4692", "text": "Adi urang kamari ceurik kusabab sieun di carekan ku indung jeung bapak lantaran henteu bisa asup kelas IPA di sakola na. Di SMA biasana sok aya pamilihan kelas, nya kelas IPA teh kelas anu rada katelah eusi na barudak anu lumayan pinter, kelas IPA teh jadi parebut kusabab loba anu hayang asup tapi teu kabeh bisa. Bapak urang geus peupeujeuh ti jauh jauh poe yen manehna hayang adi urang asup IPA ceunah lamun asup ka IPA sangkan babari ngke milihan jurusan lamun erek kuliah na. Adi urang geus usaha pisan di ajar tapi nya emang lain rezeki na. Maneh ma ceurik ka urang ngarasa ngacewakeun sarerea utama na bapak. Maneh na teu wani ngomong da sieun di carekan, tapi akhirna geus di bantuan di jelaskeun ku urang ka kolot manehna teu di carekan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9221", "text": "Basa kuring di sakola aya hiji kajadian pikasediheun anu sok diinget-inget keneh. Dina waktos éta kuring nuju ngahadiran pelatihan dasar kapamimpinan sareng kagiatan camp di gunung. Dina hiji peuting urang ngumpul di lapang pikeun dicarekan ku panitia, lajeng sanggeus acara réngsé urang sadayana ngumpul sabudeureun api unggun sarta babagi carita ngeunaan poé éta. Harita basa keur ngadongeng, kuring teu kahaja hitut sabab geus teu tahan deui, sugan teh moal aya sora jeung moal aya nu ngadenge tapi sarerea ngadenge. Kuring neda hapunten ka babaturab di gigireun, sanajan kuring teu ngomong oge moal aya nu nyaho yén éta téh kuring nu hitut. Era sih sebenerna mah, tapi da batur nu sejen mah moal apal yen harita teh kuring hitut. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7331", "text": "Tos tilu poe ieu abdi nuturkeun kabogohna rerencangan abdi anu nuju liburan sareng salingkuhanna. Manehna salingkuh di Bali sareng awewe anu sanes sabari teu apal yen kabogohna oge bakal ka Bali. Kabogoh rerencangan abdi bejana manehna nuju gering di imah, padahal keur kukuluyuran sareng kabogoh anyarna di Bali. Abdi sareng rerencangan tos nyiapkeun kejutan kanggo kabogohna kanggo ngajieun kabogohna era. Kabeneran pisan jalmi duaan eta nuju di hiji tempat dahar anu lumayan rame. Pas disamperkeun rerencangan abdi bobodoan nelepon padahal geus diuk ditukangeunna. Teu lila rerencangan abdi langsung nyamperkeun sabari ngabanjur kabogohna make cai lantaran ambek ka kabogohna anu salingkuh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7853", "text": "Peuting-peuting basa nuju ngerjakeun tugas ti sakola, abdi lapar pisan. Lantaran di imah teu aya dahareun jeung hoream masak, abdi mutuskeun kanggo meser hayam di aplikasi. Untungna masih keneh aya warung dahareun anu muka peuting-peuting. Abdi ngantosan sapuluh menitan, ngahaja milih tukang dagang anu pang dekeutna meh tereh nepi dahareunna. Pas dahareun datang, abdi langsung mayar ka si emangna. Lantaran geus teu kuat lapar, salatri, abdi langsung muka dahareun eta. Abdi mesen sangu goreng jeung hayam. Pas ningal hayamna geus rada leeur abdi langsung ngambuan deui, epekteh bener ieu mah hayamna geus teu sae. Abdi hampir utah ngambeu hayam eta. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2122", "text": "Léngkah-léngkah pikeun mastikeun yén anjeun parantos mikirkeun nikah sareng batur sacara saksama nyaéta:\r\n1. Pertimbangkeun maca kahirupan imah jeung nikah sahenteuna dua kali leuwih loba nu maca rencana kawinan, sanajan anjeun nyiapkeun poé kawinan Anjeun. Ieu bakal tetep prioritas hadé dina sudut pandang. Nikah téh ngan hiji poé, tapi hirup nikah lasts hirupna.\r\n2. Tetep diatur. Milarian binder sareng lebetkeun unggal halaman sareng kertas unggal detil kawinan anjeun. Jieun catetan sareng lembar kerja pikeun unggal detil sareng anjeun bakal lancar pikeun gaduh pernikahan anu teu diinget sareng éta bakal kirang setrés.\r\n3. Dina poé kawinan Anjeun, jadi disiapkeun pikeun hal teu balik nurutkeun rencana. Ieu dinten senang, anggap sagala kajadian salaku bagian tina kabagjaan!\r\n4. Pastikeun anjeun bersantai. Stress tiasa nyababkeun jarawat sareng anjeun henteu hoyong éta ngarusak penampilan anjeun, naha?\r\nUpami anjeun gaduh réréncangan sareng kulawarga anu sacara sah tiasa nikah ka anjeun, naroskeun aranjeunna pikeun ngajabat dina upacara", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5293", "text": "Basa ameng ka Pangandaran, abdi teu ulin bareng jeung babaturan. Babaturan mah naraek banana boat, abdi mah cicing we di sisi pantai ningalikeun. Abdi teu miluan sabab hoream babaseuhan jeung deuih teu nyanda deui acuk. Abdi dipapaksa ku babaturan miluan, tapi angger we alim. Ningali babaturan nu saleseurian di tengah laut bari hareureuynaek banana boat, abdi ngarasa kabita. Tapi, teu nanaon lah da bongan nyalira. Beres ulin, arurang saerea lngsung uih deui ka Bandung. Di perjalanan abdi kaduhung pisan teu ngiringan, sabab babaturan pada sareneng jeung pada nyarita. Tah, engke deui mah abdi rencana ngiringan we salagi aya kasempatan kana nanaon ge. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "316", "text": "Ditinggalkeun ku kulawarga nu dipikanyaah tangtuna ninggalkeun rasa kasedih, tapi eta normal sabab jelema boga hate. Tapi aya cara ngameh bisa ngarasa leuwih alus sacara mental jeung fisik. Nu kahiji olahraga nu teratur. ieu bisa dilakukeun siga naek sepedah, lari, jeung sajabana. Nu kadua sare nu cukup, paling henteu teh 7 nepi 8 jam unggal peuting. Nu katilu, diajar kaparigelan anyar, bisa miluan klub olahraga atawa miluan seminar di paguron luhur, jeung sajabana. Nu kaopat bisa nelepon babaturan atawa kabogoh jang nanyakeun kabar nepikeun ka nawarkeun dukungan. Nu terakhir, lamun keur nyanghareupan tanggal-tanggal nu penting nu aya hubunganna jeung kulawarga nu ngantunkeun, siga tepang taun, bisa ngayakeun haol.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5978", "text": "Ayeuna mah seueur kasus penipuan lewat hape nu disertai ku ancaman. Modusna teh rupa-rupa, aya nu ngakukeun dulur, aya nu ngakukeun pinjol, oge aya nu nepi ka ngalancarkeun hipnotis lewat hape. Biasana mun hipnotis mah dilakukeun nana lewat telepon. Korban na teh sok tetiba nurut ka sagala nu diomongkeun. Mun korban na wani ngalawan teh, penipuna sok langsung ngancam korbanna. Biasana nepi ka ngancam nyawa atawa kasalametan kulawarga. Hal nu kieu teh jadi salah sahiji nu keur marak ayeuna. Korban na teh loba nu sieun kana ancamanna, jadi ngalakukeun sagala nu diparentahkeun ku penipu. Komo urang lembur mah nu teu nyaho nanaon, bakal nurut we naon wae nu dititah ge.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5954", "text": "Basa nuju uih ti kebon rambutan sore-sore, Ani ngaliwatan rungkun awi nu ngalengkung nyaungan jalan. Pas keur ngaliwat kadinya teh Ani ngarasa keueung pisan, beda ti sasari. Rarasaan Ani jadi makin teu ngeunah. Asa aya nu nuturkeun, tapi teu aya sasaha. Ti belah katuhu teh aya bau bangke ngahiliwir tapi euweuh bangkena, jeung ngan didinya hungkul. Tuluy aya sora langkah suku nu nincak daun awi garing. Sora lengkah na makin kadieu makin ngadeukeutan, jiga nu aya di gigireun pisan. Tapi dilieukan teh euweuh sasaha, euweuh sasatoan oge, ngan aya Ani jeung indungna. Pas ngalieukan, singhoreng mah aya kuburan di tukangeun rungkun awi teh. Tidinya Ani teu wani luak lieuk deui sabab sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3361", "text": "Teraskeun upami anjeun siap kalayan 4 hal ieu:\r\n1. Ukuran jamban beus téh heureut pisan. Anjeun moal tiasa mandi kalayan gaya. Teu tiasa nyandak poto anjeun nuju mandi instagramable.\r\n2. Nalika beus jalan, jamban beus oyag. Mimitina anjeun mandi nangtung, bari nyeuseuh ujug-ujug jamban oyag sarta ahirna posisi anjeun robah jadi sirah handap, suku ka luhur.\r\n3. Pasokan cai di jamban beus pohara kawates. Nalika rambut sareng awak anjeun pinuh ku busa, cai béak. Musibah.\r\n4. Kudu kuat mental pikeun nyanghareupan eunteup pikasieuneun panumpang séjén anu kudu pipis jeung réngréngan awak angkot lantaran ngalanggar aturan \"toilet beus ngan ukur bisa ngijih bari beus jalan\".", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4366", "text": "Basa ulang tahun na anu ka 50 tahun dina bulan april tahun kamari. Urang sakulawarga utama na urang jeung adi urang. Urang jeung adi urang salian geus nyiapkeun surprise mawa kueh jeung lilin di peuting na urang duaan oge geus nyiapkeun kado. Kado anu ku urang siapkeun mangrupa barang kareseup indung urang anu geus lila hayang di beuli nyaeta mukena. Urang jeung adi urang mere suprise na ka indung urang di jam tilu atawa setengah opat samemeh subuh. Ieu urang duaan lakukeun kusabab embung ngaganggu sarena, soalna di jam tilu atawa opat subuh indung urang pasti geus hudang tuluy sholat tahajjud. Mimiti na urang jeung adi urang nyumput heula nepi ka akhirna indung urang beres sholat kakarek urang ucapkeun selamat ulang tahun bari mere kado na, didinya indung urang reuwas tuluy ceurik haru teu sangka ceunah yen budak na ngajieun kejutan sagala. Indung urang ngucapkeun nuhun ceunah padahal teu menta teu hayang oge kikituan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "368", "text": "Sabab pernah ngarasakeun labuh tina motor, aya teknik nu kudu dilakukeun ngarah cederana teu serius. Nu kahiji lepaskeun awak tina motor. Sakapeung sok mikir sieun kaleungitan motor pas keur labuh, padahal mah pas labuh tuluy masih nyepengan motor eta mibogaan bahaya anu leuwih gede. Sabab bisa wae katindihan, kagencet, atawa bisa ngalaman luka bakar lamun misalna motorna kahuruan. Nu kadua ngaguling ka sisi kenca jalan, ku sabab hal ieu leuwih minim risiko lantaran sisi sabeulah kenca jalan moal sarame sisi katuhu jalan. Nu katilu ulah langsung nangtung, leuwih alusna cicing heula atawa gerakkeun leungeun atawa suku bisina potong. Nu terakhir buru-buru ka rumah sakit jang mariksa leuwih detail jeung diobatan lamun diperlukeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8970", "text": "Kuring gaduh hiji lanceuk, anjeunna parantos damel sareng gaduh artos nyalira. Ampir unggal minggu manéhna sok meuli baju anyar. Hiji poé kuring rék nginjeum baju manehna, tapi manéhna keur di gawe. Malihan mah upami nyuhunkeun ijin ka lanceuk kuring pasti moal nginjeuman. Tungtungna kuring nyokot baju tina papakéan manehna, sarta dipake pikeun jalan-jalan jeung sobat kuring. Nalika kuring balik ka imah, sabenerna kuring sieun dicarekan ku lanceuk kuring pikeun maké baju nya teu idin. Pek teh bener we, lanceuk kuring ambek sabab kuring maké bajuna. \"Abdi parantos nyarios ka ibu, saur ibu henteu kunanaon.\" ceuk kuring ngabéla diri. \"Tapi éta baju teh nu urang, naha menta idinna ka ibu?\" jawab manehna bari ngagorowok. Ti harita kuring teu hayang deui nginjeum baju lanceuk kuring, sieun dicarekan deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5982", "text": "Mun meunang ancaman ti jalma nu teu kenal, komo nepi ka ngancam kaselamatan nyawa mah, urang perlu ngalaporkeun ka kepolisian. Ulah cicing wae, komo mun geus nepi ka diteror mah, kudu buru-buru lapor sabab bisi aya hal leuwih jauh terjadi. Komo mun nepi ka teror atawa ancaman na teh geus aya nu nepi ka kajadian, kudu leuwih waspada deui. Mantakna, mun berhubungan jeung batur komo nu teu kenal mah kudu apal pisan karakterna jiga kumaha, ulah nepi ka gaul jeung jalma nu salah. Mun nepi ka meunang ancaman teh kedah waspada jeung siaga dina sagala hal. Yuk tingkatkeun deui kamawasan diri!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3289", "text": "Ieu teh, hate pisan ka jalma anu miceun ciduh (kahak, rehak, jrrd) sembarangan di jalan. Jadi kasar ewww. Hayang utah liat. Naha rék méré sangsi: \"Sing saha waé anu miceun ciduh, létahna kudu dipotong.\" Tapi kejem teuing. Tah meureun sanksina: \"Saha-saha anu miceun ciduh ku cara teu malire, kudu nyiduh deui ku baju/tissuna sorangan, tuluy dialungkeun kana tempat sampah.\" kudu aya aturan pikeun jalma-jalma anu nyiduh sambarangan di jalan, patugas bakal mere sangsi jeung hukuman ka anjeun sareng, anjeun kedah ngabersihkeun jalan anu anjeun ciduh dugi ka beresih. hal eta dipake naambeh teu loba jalma nu pikageleuheun jang narik igus sambarangan jeung padu bae.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9557", "text": "Jihan jadi jalma nu beda sanggeus manehna ngalaman kagagalan dina hirupna. Kagagalan bisa nyieun hiji jalma ngarasa sedih pisan, ngarasa geus teu boga harepan, jeung ambek. Jalma anu ngalaman kagagalan di hirupna tiasa ngaraos teu aya hargana atanapi henteu bisa sukses dina naon anu manehna laksanakeun, sareng ieu tiasa mangaruhan kapercayaan diri sareng harga diri. Eta oge anu dialaman ku Jihan, Jihan ngarasa teu yakin ngeunaan masa depan manehna atawa teu nyaho kumaha carana ngalengkah sanggeus ka gagalan ngahantem manehna. Kusabab eta, Jihan jadi jalma anu beda. Ayeuna manehna jadi jalma anu cicingeun, pesimis, jeung babari nyerah dina sagala rupa.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7259", "text": "Ieu mangrupakeun pangalaman anu moal kuring poho. Kuring tinggaleun pesawat di Eropa pas abdi bade angkat ka Walanda ti Kroasia. Pas tos angkat hotel numpak beus lantaran, abdi kedah mapah lima belas menit ti halte beus ka bandara. Dugi ka bandara masih keneh aya waktos opat puluh menitan deui. Sabari panik abdi langsung buru-buru datang ka conter tempat check-in, tapi abdi reuwas pisan pas ningal di dinya teu aya sasaha, teu aya pagawe atawa petugas anu ngajagaan. Pas abdi menta tulung ka petugas anu sanes anu aya di dinya, hanjakal manehna teu tiasa ngabantos lantaran minimal check-in na teh opat puluh lima menit sateuacan pesawatna hiber. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2127", "text": "Janten bapa mangrupikeun gelar anu pangsaéna anu kuring kantos nampi, tapi pinuh ku perjuangan. Sanggeus nikah, tetela urang dibere waktu keur bobogohan bari nungguan orokna. Kuring nu mimiti mandi, ngaganti popok, ngusap anak kuring salian ti suster, kumargi keur basa anak kuring ee pamajikan kuring can cageur-cageur jeung teu boga pangasuh. Éta naon anu kuring lakukeun nalika kaluar tugas. Reueus hahaa Di dieu kuring diajar meuseul orok, meuseul payudara sangkan kaluar susu. Nepi ka adina kuring boga budak leutik kuring ditelepon pikeun ngurut budakna anu kembung. ku minyak telon, sakedapan, kentut ponakan kuring kaluar. Anteng saré deui. Tapi kusabab pamajikan kuring lemah, kuring nu diajar.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6277", "text": "Lamun keur poe idul adha teh abdi mah sok tara ningali nu meuncit sapi. Biasana batur mah sok ngahajakeun nonton penyembelihan hewan qurban da sabab diayakeun na ge ngan sataun sakali, jadi itung-itung hiburan bari ngumpul jeung tatangga jarauh. Abdi mah sok aa miluan, sabab ku ngambeu getih jeung bau hanyir na ge geus seueul jeung lieur. Komo mun nempo proses penyembelihan nana mah, sok mantak jiji ningalina. Malahan mah sakapeung sok nepi ka ngajongkeng teu bisa hudang saking ku seueul jeung lieurna ngambeu hanyir sato qurban teh. Mantak abdi mah mun beres sholat ied teh sok tara ka mana-mana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7348", "text": "Paling teu resep ka patugas anu judes pisan. Basa abdi nuju bade diparios huntu di puskesmas, patugas di ditu teh teu ramah. Boro-boro seuri, ngomongna oge pikasebeleun, kabeh pangunjung pasti diambekan lamun teu apal. Padahal tos wajar lamun seeur anu teu acan apal lantaran ayeuna mah sagalana kedah make aplikasi. Abdi jigana moal datang ka puskesmas deui, kajeun mayar leuwih seeur oge bae tibatan kedah nganghareupan jalmi anu sararombong. Komo dokter gigina anu judes pisan, aya pasien datang teh sanes disambut kalahkah diseseulan, jadi wajar lamun seeur jalmi anu hoream datang ka puskesmas, lantaran keheul abdi nepikeun ambek oge ka anjeunna. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7883", "text": "Baheula basa abdi SMP, abdi mineng angkat ka sakola nganggo angkot jeung ojeg. Di angkot teh abdi mineng pisan numpak angkot anu sopirna teh ngaroko. Ditambih pas abdi numpak ojeg oge biasana helemna bau. Jadi we pas abdi dugi ka sakola teh sok kabawa bauna. Pernah hijii poe basa isuk-isuk nuju girimis tiung abdi janten baseuh tuluy kedah nganggo helem. Pas dibuka helemna abdi ngarasa tiung abdi bau, teras pas abdi asup ka kelas rerencangan abdi oge ngambeu bau ti helem anu abdi anggo basa numpak angkot. Abdi jadi era lantaran aya oge barudak lalaki anu nyangkana abdi ngaroko lantaran baju abdi bau roko. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2960", "text": "Upami kacilakaan parah, hapunten, abdi oge sieun ngabantosan. Alesan:\n1. Sieun disalahkeun. Padahal lain kuring nu nabrak. Lamun korban rada tatu, manéhna bisa ngobrol. Upami korban maot, abdi bakal disalahkeun. Langkung saé upami anjeun angkat ka kantor pulisi pikeun ngajelaskeun. Sieun kuring kudu ngajelaskeun ka massa, utamana lamun kajadian di tempat sepi tur euweuh tatu panon lianna. Mun aya rame, meureun nya ok.\n2. Henteu gaduh kamampuan médis. Aya carita babaturan kuring nabrak jeung ngagolér. Dibawa tanpa ngarti kana aturan médis saleresna miburukan kaayaan. Sabab aya posisi tatu nu teu bisa digerakkeun langsung.\nLamun maehan atawa gelut malah leuwih pikasieuneun. Kuring salah kaprah ditinju ku babaturan. Leuwih alus lamun ditinju, lamun ditusuk?\n3. Sarua jeung copet. Lamun kuring milu narajang pencopet mangka manéhna bakal ragrag terus di massa jeung maot, sanajan cenah manéhna copet tapi manéhna maot teu langsung alatan kalakuan kuring ogé.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "680", "text": "Basa keur sakola SMA kelas 2, urang tepang taun. Tapi kakaraeun dibere kejutan ku kabogoh. Harita pas poean tepang taun, urang sakola kawas biasana teu ngarasa aneh. Tapi pas balik sakola urang diajak kabogoh jang milu ka tempat babaturanna sakaligus nganteurkeun manehanana. Geus nepi ka tempatna tuluy urang rek balik deui, urang dititah heula asup ku kabogoh urang. Geus asup ka imah babaturan, urang reuwas sabab si tembokna teh geus dihias jeung dipasangan balon warna-warni oge aya tulisan ngaran urang jeung umurna. Teu ngan saukur kitu, urang oge reuwas pas dibere hadiah ku kabogoh urang, sabab eusi hadiahna teh barang-barang nu ku urang dipikahayang, geuningan salila ieu manehna merhatikeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1044", "text": "Ku sabab gendut mindeng di-bully di sakolaan, sakapeung mah maranehna ngagunakeun kekerasan siga nyuntrungkeun atawa neunggeulan kana awak. Meureun dina pipikiranna sabab urang loba daging, moal nyeri diteunggeulan teh. Tapi da tetep nyeri. Jadina mun panggih jeung nu ngabully teh urang sok langsung tungkul pura-pura teu ninggali, ku harepan manehna oge teu ninggali. Atawa ngahaja urang mawa bekel ti imah, ngarah pas istirahat teu panggih jeung nu ngabully, sabab biasana di-bully na pas jam istirahat, mun jam belajar mah sok aya guru nu ngajaga. Mindeng oge nungguan manehna ngaliwat heula kakara urang daek kaluar ti kelas jang jajan eta ge bari susulumputan ngarah teu panggih.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6842", "text": "Tos lami pisan pun adi hoyong gaduh sapatu roda lantaran rerencangan na seeur nu tos gaduh sapatu roda. Sapatu roda teh pangaosna langkung awis ti sapatu biasana, janten abdi miwarang pun adi sina nabung heula kanggo meser sapatu roda. Asalna mah ningal heula harga sapatu roda anu aya di aplikasi Shopee. Teras urang sasarengan ngadamel celengan kanggo nyimpen duit kanggo meser sapatu tadi. Teras ditargetkeun unggal poena sabaraha duit anu kedah disimpen. Pas celengan na tos rada pinuh langsung ditambihan kirangna kanggo meser sapatu roda. Intina mah kedah aya usaha heula kanggo meunangkeun anu dipikahoyong sanajan engkena bakal dipasihan ku nu sanes.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8979", "text": "Upama rupa-rupa métode geus dipaké tapi hasilna teu acan ngungkulan rasa sieun disuntik.Sabenerna aya sabab-sabab anu jadi sabab sieun disuntik, biasana sajaba ti nyeri salila disuntik, penderita ogé sieun nyeri pasca suntik séjénna, saperti paregel, jeung sajabana. Dokter urang pasti bakal masihan resep pangobatan antidepresan salaku solusi. Tong hilap, konsultasi sadayana sareng dokter supados dokter terang perawatan naon anu pangsaéna pikeun urang. Alesanna nyaéta phobia jarum masih mangrupikeun jinis gangguan kahariwang. Sababaraha jinis ubar anu biasa dianggo pikeun ngubaran fobia nyaéta serotonin reuptake inhibitor (SSRI), beta blocker, sareng ubar sedative anu sanés. Pastikeun urang nyandak ubar nurutkeun kana parentah dokter. Ulah eureun diubar tanpa pangaweruh dokter anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7611", "text": "Poe ieu abdi diajakan ku rerencangan ka hiji tempat anu teu acan pernah kuring datangan. Abdi mah miluan we, da manehna nu nyetir. Pas di jalan asalna abdi wawuh keneh ka jalan anu aya disabudereunna, tapi beuki lila urang asup ka hiji leuweung anu rada sepi. Abdi rada sieun lantran bener-bener asing pisan. Di sisi jalan seeur pisan imah-imah kosong anu teu kaurus siga imah angker. Pokona mah di sapanjang jalan abdi teu ereun ngadu'a, sieun bisi bengsin jol beak di tengah jalan. Untungna teu lila urang langsung kaluar ka jalan gede anu rame. Epekteh tadi manehna ngaliwatan jalan pintas. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2587", "text": "Naha ambek tanpa alesan?\nSabenerna aya alesanana, ngan teu bisa dikedalkeun sacara jelas, sabab alesanana teu jelas, tapi aya. Lantaran teu bisa nerangkeunana, pikiran ngagunakeun kecap “tanpa alesan” anu baris ditepikeun sacara lisan atawa tulisan.\nAlesan nyata napel dina haté, sarta kana waktu naon anu ditiupkeun bakal tumuwuh sarta ngahasilkeun buah dina waktuna. Nalika dipanén, éta bakal disimpen dina \"gudang jiwa\", teras terus diproduksi ku alam bawah sadar. Boh anu teu acan diproduksi boh anu parantos diproduksi, bakal disimpen dina \"gudang jiwa\", upami gudangna pinuh, maka jiwa bakal barontak. Mangka kaayaan jiwa bakal ngajadikeun haté jadi guligah, haté jadi ambek, bingung, kacau, jsb. Janten, naon anu katampi ku éta parasaan? Éta mood. OKÉ, sajauh ieu disambungkeun.\nKasimpulanana, anjeun ngagaduhan kaayaan mental anu rapuh. Jiwa anjeun sabenerna teu kuat deui pikeun nahanana. Nahan naon?\nHayu urang flashback jauh ka kaliwat atawa kaliwat, sarta meureun anjeun geus poho sababaraha eta. Sanaos anjeun hilap, éta disimpen dina mémori, sareng alam bawah sadar bakal naék deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6091", "text": "Rem blong teh jadi salah sahiji ngimpi buruk bagi satiap pangendara. Pasalna, loba nyawa ngalayang sabab rem kandaraan nu blong. Tah, jang nyegah kacilakaan teh kudu rutin ngajaga jeung malihara rem kandaraan. Samemeh perjalanan jauh ge kudu diriksa heula, ngantisipasi terjadina kacilakaan. Tong wae rek indit jauh, tapi kudu rutin oge ngajaga pamaliharaan rem unggal bulanna, ulah nepi ka kabangbalerkeun. Demi kaselamatan mah kudu diutamakeun sagalana. Tong hilap kana sagala hal nu ngeunaan kandaraan, demi kasalamatan diri sorangan. Jadi, mun gaduh kandaraan teh kudu rutin diriksa, komo masalah rem mah kudu dipentingkeun pisan, ulah nepi ka cilaka nembe we sadar!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3337", "text": "Aya hiji murid, nyaeta murid awewe, sebut wae ngaranna Rina, manehna kungsi ngalaman pikaseurieun nalika miluan pertandingan voli. Ceuk beja, dina hiji poe di kampung tempat cicingna diayakeun pertandingan voli antar unit lingkungan (RT). Lantaran hobi Rina maen voli, manehna ngagabung ka salah sahiji tim voli nu ngarebut juara tingkat RT. sababaraha kali junun skor titik. Keprok suporter atawa panongton ngajadikeun Rina beuki sumanget pikeun nyetak poin. Bari ulin, Rina ngadadak ngalaman kajadian pikaseurieun, pikasebeleun bari ngahalangan serangan lawan. Ujug-ujug calana rina dina tonggong (imbit) sobek. Ujug-ujug panongton anu ningali calana Rina robek-robek seuri. Baca Juga: Lato-Lato Ngambang \"Alamakk... Rubuh,\" ceuk Rina. Sanajan sababaraha urang seuri ka dirina, Rina tetep ngarasa untung sabab teu sakabeh panongton nyandak masalah na. Malah maranéhna (penonton) sabenerna ngajurung Rina pikeun terus maen pikeun nyitak poin.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7520", "text": "Abdi ti leutik keneh teu pernah wani asup ka kolam lantaran pernah ningal rerencangan tilelep di kolam renang pas leutik. Tapi lantaran abdi gaduh kabutuhan nyaeta kanggo daptar kuliah abdi kapaksa kedah diajar deui ngojay. Pas tos cicing di dekeut kolam ige abdi tos sieun pisan geus kabayang kumaha enungapna lamun tilelep. komo abdi mah jalmi na gampang pisan panik, janten lamun ningal cai anu jero teh sieun pisan. Untungna abdi diajarkeun ku guru ngojay abdi kanggo tenang, urang malah dititah latihan kumaha carana nyanghareupan situasi lamun tilelep. Manehna ngajarkeun sababaraha tehnik ngojay tuluy ngahaja nitah abdi neleum ka cai supados teu sieun deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2891", "text": "1. Tong sieun. Témbongkeun yén anjeun teu sieun anjeunna. Naon anu anjeun sieun? Anjeunna ogé manusa biasa sapertos anjeun, tuang sangu ogé, leres? Teu aya bédana sareng teu aya anu matak sieun. Intina anjeun kedah ningkatkeun kapercayaan anjeun.\r\n2. Ulah gampang kagoda ku emosi. Dumasar pangalaman kuring, beuki anjeun némbongkeun ekspresi amarah, sedih, jeung sieun, nu happier tur leuwih mindeng bully bullies anjeun. Anjeun kedah tetep tenang sareng sabar. Tapi lamun kaayaan jadi parah, anjeun bisa ngalawan deui.\r\n3. Asupkeun loba bunderan silaturahim, nyieun babaturan kalawan loba jalma, sangkan jalma kawas anjeun (Kuring kacida nyarankeun ieu). Ku ngabogaan loba babaturan, bullies bakal sieun bully anjeun sabab babaturan anjeun bakal ngarojong anjeun sarta ngajaga anjeun ti bullies.\r\n4. Dipikaresep ku loba guru (ngan lumaku lamun dibully di sakola). Mun anjeun resep ku loba guru, bully pasti bakal mikir dua kali ngeunaan bullying anjeun atanapi henteu bullying anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2981", "text": "Lamun keur diudag ku anjing, anjeun kudu tetep tenang jeung ulah kabur. Beuki lumpat beuki loba anjing ngudag sabab nganggap anjeun musuh. Tapi nalika anjeun nyobian tenang sareng bisa nguasai diri anjeun, anjing ogé tenang. Anjeun oge bisa maledog anjing maké objék sabudeureun anjeun. Tapi anjeun leuwih hade teu ngalakukeun eta sabab anjing bakal inget eta sadaya waktu. Nalika anjeun ngaliwat deui sareng anjeunna ningali anjeun anjeunna bakal mikawanoh anjeun salaku jalma anu jahat sareng bakal terus ngagorowok sareng ngudag anjeun. Hal anu paling mujarab pikeun ngajaga anjing anjeun tina ngudag sareng ngegel anjeun nyaéta nyobian tetep tenang sabisa-bisana sareng tetep leumpang saolah-olah anjeun henteu kaganggu ku gonggongan na.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7581", "text": "Di imah kuring baheula aya anjing anu ngarana Si Koboy, anjing ieu gaduh tatanggi kuring. Si Koboy ieu warnana cokelat jeung awakna oge badag. Pas mimiti ngalih ka imah dekeut imah Si Koboy, abdi mineng digonggongan, tapi teu lila manehna geus biasa ningal kuring sok ulin di dinya. Tapi angger we ai ka anu ngaranna anjing mah abdi sieun pisan. Sieun bisi digegel jeung sieun diudag. Komo anjing mah lumpatna oge gancang pisan jeung taringna oge sekeut, komo aya ciduhna anu najis, janten kuring kedah ngaberesihan heula ku pasir lamun rek netepan. Abdi diajarkeun ku rerencangan sangkan ngalungkeun batu lamun diudag ku si koboy. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8995", "text": "Kusabab akhir-akhir ieu seueur pisan anu nyulik, kuring janten langkung waspada ka jalma anu teu wawuh. Upami kuring nepungan batur anu kuring teu kenal, sareng kuring ningali gerakan anu picurigaeun, kuring bakal langsung ngahindar sareng lumpat. Kolot kuring ogé sok ngingetkeun kuring pikeun salawasna ati-ati sareng sok hurungkeun telepon sélulér upami aya kajadian. Pernah sakali kuring ampir disusul ku anu teu dikenal tapi kuring kabur kusabab kuring langsung naék beus anu langsung angkat. Sarta kuring langsung menta dijemput sieun bisi si jelema teu wawuh the masih nuturkeun. Kuring malah leuwih waspada sanggeus kajadian éta sarta kolot mah sok ngajak kuring ka sakola sangkan leuwih aman.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6274", "text": "Kaberesihan kandang iinguan teh jadi salah sahiji hal penting dina usaha pertanian. Ulah nepi ka limbah kotoran na teh ngahariwangkeun lingkungan. Bauna nu nyeleding pisan kana irung teh kudu dirawat masing bener. Kudu nyadiakeun tempat jang ngelola kotoran hewan jeung supaya teu ka mana-mana jeung teu ngabauan batur. Komo mun usum hujan mah bana bakal leuwih kaambeu ka mana-mana, jadi kudu bener ngelola na supaya teu bau jeung teu jorok barecek ka mana-mana. Ku kituna, samemeh ngingu sasatoan teh kudu disiapkeun masing asak kumaha jeung ka mana bakal miceun kotoran na atawa ngamangpaatkeun nana. Yuk urang diajar ternak make teknik nu leuwih ramah lingkungan!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8210", "text": "Sieun upami nyieun salah teh penting digaduhan ku jalma. Ayeuna mah seueurna jalma nyarios atanapi ngalakukeun perkawis nanaon teh teu ati-ati tur ngarasa nu pang leresna. Padahal naon nu dilakukeunna teh tebihh tina kaleresan. Sieun ngalakukeun kasalahan tiasa ngajauhkeun urang ti perkawis-perkawis nu tiasa ngerakeun urang nyalira. Sieun ngalakukeun kasalahan ge nunjukkeun upami urang teh jalmi nu pondok hate. Sieun ngalakukeun kasalahan teh nyieun urang leuwih ati-ati upami rek ngalakukeun nanaon atanapi mutuskeun nanaon dina kahirupan. Komo deui kaputusan-kaputusan nu hubunganna sareng amanah ti masarakat. Intina mah sieun ngalakukeun kasalahan teh janten nilai nu diperyogikeun ku jalma di jaman ayeuna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7514", "text": "Di imah uwa abdi aya hiji balong kanggo melak lauk, tapi lantaran laukna teu acan aya, kolam eta sok dipake ulin ku abdi sareng rerencangan. Balong eta warnana coklat, sakumaha umumna warna balong we, aya nu coklat aya nu hejo. Balong di imah uwa abdi warnana cokelat lantaran dibagian handapna katutupan ku ledok. Sabenerna mah balong eta teh deet pisan ngan saukuran bujal hungkul, tapi lantaran handapna ledok, aya bagian anu bolong jeung teu katingal pedah warna caina coklat tea. Abdi hampir kalelep pas teu kahaja nijek hiji liang anu aya di balong eta pas ngojay. Abdi langsung sieun pisan jeung teu wani ngojay di dinya deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8553", "text": "Era anu disababkeun ku diolok-olok tiasa nyeri pisan sareng ngerakeun. Loba jalma ngarasa pisan teu nyaman sarta teu aman sanggeus diolok-olok, utamana lamun eta kajadian di hareup sakelompok badag jalma. Dina kaayaan kitu, hiji jalma bisa ngarasa pisan kakeunaan jeung teu bisa ngabela diri, nu ngajadikeun maranehanana ngarasa isin pisan jeung sieun ditolak ku batur. Rasa era anu disababkeun ku diolok-olok tiasa mangaruhan kapercayaan diri sareng kapercayaan diri hiji jalma. Hiji jalma bisa jadi ngarasa teu nyaman ngobrol atawa sosialisasi jeung jalma sejen sanggeus ngalaman kaayaan kitu, sarta ieu bisa mangaruhan kualitas hirup maranéhanana sakabeh. Nanging, penting pikeun emut yen sadayana tiasa ngatasi rasa isin sareng percanten ka dirina deui.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5955", "text": "Harita abdi nyobian tektok gunung Manglayang jeung tilu babaturan abdi. Muncakna teh lewat jalur Batukuda nu dituluykeun ka jalur Barubeureum. Mimiti perjalanan mah sagalana biasa wae, teu aya kacurigaan saeutik pun. Ngan, basa tos satengah perjalanan, jol aya babaturan abdi nu ngarasa leuleus. Kacida teu kuat pisan jang leumpang, komo bari mawa tas. Tuluy di tengah jalur teh istirahat heula. Pas keur istirahat, kabeh bulu kuduk abdi murigrig, di sisi kenca katuhu teh mantak miis hawana. Tuluy aya sora nu leumpang ti sisi, padahal di sisi teh jurang. Abdi tidinya makin deg-degan sabab sieun dituturkeun ku makhluk halus. Barang sadar yen aya nu aneh, abdi teu leupas babacaan. Punduk teh asa beurat, leuleus jiga babaturan abdi. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "744", "text": "Unggal isuk-isuk pasti weh macet di titik-titik anu rame, komo deui pabrik nu aya shiftan. Jadi loba pagawe nu asup shift isuk-isuk, jeung pagawe nu kaluar lantaran geus beres shift peuting. Biasana nu nyieun macet teh lantaran euweuh petugas nu ngatur kaluar asupna pagawe, jadi nyebabkeun nu rek asup hese kahalangan nu rek kaluar. Jadina macet teh mengular nepikeun ka sababaraha kilo. Tungtungna mah kabeh kabagian macet, nu kuduna bisa tepat waktu nepi tujuan, tapi gara-gara eta jadi telat nepina. Padahal mah ayakeun petugas khusus ti pihak pabrik teh jang ngatasi hal nu kieu, ngameh teu kabeh jadi kajebak macet gara-gara hal eta.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1098", "text": "Keur jaman sakola SD urang kudu ngaliwatan tempat-tempat hewan piaraan tatangga. Aya nu miara domba, sapi, entog, jeung soang. Paling sieun mun diudag ku soang, lantaran sok susuluduk kana suku mun urang di sabudureun manehanana. Jadina tiap ngaliwat kadinya teh urang kudu lumpat sakuat tanaga ngarah teu dilodok. Baheula mah pas can apal soang sok ngalodok, ngahaja sok dideukeutan da panya teh lindeuk soang teh. Ari pek teh henteu kalakah ngalodok kana suku tuluy urangna labuh, untungna harita ditulungan ku tatangga nu bogana, soang eta digebahkeun. Matak nepikeun ka ayeuna mun panggih jeung soang teh sok reflek weh lumpat ngabelecir.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2625", "text": "Jeung ieu kahiji kalina kuring jadi ambek ka batur nu jadi petugas kasir anyar dina taun eta. Kajadian waktu kuring keur gawe di Jakarta aya pagawe anyar awewe, bos kuring ditugaskeun ngajar manehna ngapalkeun ngaran barang jeung ngapalkeun harga. Dina hiji poe basa kuring keur ngajar ngapalkeun manehna teu bisaeun, kuring nyobaan sabar jeung terus ngajar manehna, tapi manehna nyentak ka kuring lantaran teu bisa jeung ambek ka nu meuli. ngagorowok, kuring ngarasa teu bisa nahan kasabaran deui sarta ahirna robah kuring snapped di anjeunna bener teuas.Sanggeus ngagorowok di manehna kuring ninggalkeun manehna jeung ngarasa pisan kaliru ngeunaan anjeunna.Teras kuring apologized ka manehna keur ngarasa kaliru.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5583", "text": "Meunang hadiah tina undian teh salah saiji hal nu dipikahayang ku hapir kabeh jalma. Tapi, kaberuntungan teh asa minim pisan mihak ka urang. Mun miluan undian teh sok hese pisan meunang hadiahna, komo aya nu can pernah meunang pisan. Hal ieu teh tergantung bener-bener kana kaberuntungan jeung doa urang. Ulah nepi ka ngadambakeun hadiah tina undian tapi kana ngadoana jadi poho, jadi lalai. Kudu na mah mun hayang meunang undian teh ngadoana leuwih kerep deui supaya diijabah jeung aya milik rezekina dina undian eta teh. Yuk ah urang ngakalan lewat doa supaya meunang hadiah tina undian! Sabab lumayan hadiah na ge ning garede, jiga motor jeung hape.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6360", "text": "Basa nuju akhir semester, abdi ngiringan seminar di auditorium Bale Santika. Abdi ngiringan seminar anu diayakeun ku universitas. Mimitina mah acara teh berjalan lancar. Eh pas di sesi tanya jawab acara aya nu nanya, terus nangtung. Eta bajuna sarua pisan jeung nu dipake ku abdi. Warna jeung modelna teh sarua. Babaturan abdi seuseurian bari ditahan da hayang seuri pisan nempo ekspresi abdi anu era jeung nahan seuri. Abdi meuni geus hayang ngagakgak tapi da bari era oge ku babaturan. Untung we nu keur nanya na teu engeuheun yen bajuna sami jeung abdi da abdina diuk wae. Mun abdi nyobian nanya mah duh isin pisan meureunan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "231", "text": "Keur leutik keneh mah aya permen nu ngaranna Yosan. Permen eta aya hadiahan anu bentukna teh huruf nu kudu disusun. Hadiahna ge rupa-rupa, aya baju, sapedah, jeung sajabana. Urang sumanget meulian wae permen eta tapi can pernah hurufna meunang kabeh. Nu paling hese teh huruf N. Ari huruf nu sejenna mah urang geus boga. Tapi hiji waktu sacara teu sangaja, urang meunang huruf N. Urang langsung ajrug-ajrugan dina kaayaan masih di warung keneh. Urang ngabejaan babaturan ulin nu sejen lamun urang meunang huruf nu langka eta. Geus kitu urang balik ka imah tuluy nyokot huruf nu sejenna dina lomari. Sanggeus kitu ku urang dibawa kabeh jang ditukeurkeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5917", "text": "Pernah basa SMA abdi ngiringan lomba ngadongeng di tingkat sakola. Eh kabeneran abdi meunang terus lanjut deui ka FLS2N di daerah abdi. Pas hari pelaksanaan nana, abdi ngarasa demam panggung pisan. Dilaksanakeun nana teh di jero aula indoor terus ditonton ku pembimbing masing-masing. Aya tilu juri dipayuneun peserta teh, salah sahijina mangrupakeun kasohor dina bidang ngadongeng. Abdi meuni geumpeur pisan, batur mah make properti nu kumpuni, ai abdi mah meuni alakadarna. Abdi jadi ngarasa minder sabab sainganna nu hebat hungkul, nepi ka abdi poho alur carita pas tampil teh. Abdi meuni isin pisan harita sabab diseungseurikeun oge ku pembimbing peserta sejen.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4061", "text": "Ti leuleutik urang di urusanan ku nini, urang geus janji bakal ngabahagiakeun nini. Urang mbung nempo nini hirup susah, komo dulur-dulurna meni jarahat teu nguruskeun pas nini gering, tapi ai warisan mah pada harayangeun. Sakapeung mah sok aral nempo dulur kos kitu teh, ngan bisana ngomen wae hirup urang jeung ngabanding-bandingkeun kasuksesan. Pernah urang di sebut jelema teu berguna pedah nganggur, pernah oge urang di sebut jelema anu paling bodo. Pokona osok ngarendahkeun wae keluarga urang, ninige kadang sok ceurik ceunah meni eweh anu ngalongokan. Niatna urang hayang pindah imah, hayang icing di tempat anu layak huni. Trus hayang nyieun kamar mandi anu handap, meh nini urang babari ka kamar mandina. Soalna nini urang stroke, mun kamana-mana teh ngesot. Tapi acan ge terlaksana, nini urang maot beunang kanu covid jadi komplikasi. Urang saminggu mewek, asa ku dadas hate teh kaleungitan nini anu geus ngarawat urang ti leutik. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3327", "text": "Lamun datang usum hujan Lake Victoria di Afrika ngalaman banjir. Kawas fenomena caah di tempat séjén, sok aya mahluk hiber kotor anu ngadadak muncul. Yup, ngapung. Beda jeung tempat-tempat séjénna, di sisi basisir Danau Victoria jumlah laleur téh kacida gedéna, kira-kira ampir triliunan. Sababaraha sakumpulan manuk ogé rutin nganjang ka Tasik Victoria pikeun ngarasakeun hidangan pésta ieu unggal taun. Henteu ngan ukur manuk, warga satempat ogé sigana henteu kalah ku gabung. Bédana, laleur ieu henteu langsung didahar di tempat, tapi ditangkep pikeun diolah engké.Saméméh ngalayanan masakan unik ieu anu dijieun tina laleur, warga ngalaksanakeun prosés néwak heula. Henteu peryogi alat anu gaduh mékanisme anu canggih, jumlah laleur anu henteu terbatas cukup gampang ditewak nganggo alat saayana. Dimimitian tina jaring, panci komo kagorengan leuwih ti cukup pikeun bubu ieu laleur. Saatos cekap, waktosna serangga ieu diolah janten jajanan anu lezat. dahareun pisan kotor", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5597", "text": "Dina organisasi abdi mah, mun aya nu ulang taun teh sok diayakeun tradisi khusus. Tradisina nyaeta dilakukeun ku cara nalian awak nu ulang taun make tali kana tihang bandera nu aya di tukangeun sekre. Ditalian teh bari dibanjur make cai beresih. Salian eta oge diawuran make tarigu awak na teh. Ditalianna teu sakeudeung, minimal sa jam bari diantep. Keun we da emang geus biasa nangtung lila mun keur upacara. Biasana tos ditalian teh tuluy ditaringgalkeun titah sorangan. Mun dianggap geus cukup, nembe we dibuka talina bari dibere ucapan selamat ulang taun. Tradisi ieu teh sanes bentuk perpeloncoan, tapi bentuk paduli jeung apresiasi tina kaloyalan nana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4372", "text": "Kapanggihna artefak kuno di tengah kota Jakarta dina mangsa pangwangunan proyek MRT matak ngagegerkeun warga masarakatna ka asup urang. Jadi tempat kapanggihna harta karun ogée geus lumangsung di Pulo Jawa sarta geus ngajien reuwas rusuh jeung rame basa di jaman baheula. Umumna jelema anu kapanggih harta karun ieu teu ngahaja ku warga, warga anu manggihan teh keur ngalakukeun aktivitas biasana sapopope . Jadi saenggeus di teangan ternyata harta karn anu di timukeun ieu nyaeta harta karun anu geus aya di jaman baheula nyaeta mangrupa titinggal ti jaman karajaan nepi ka jaman revolusi pikeun kamerdekaan indonesia. Harta karun ieu bisa kanggih kusabab ayana kagiatan pangerukan taneuh keur proyek MRT.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6307", "text": "Sampah nu numpuk dina solokan teh sok ngahambat jalur cai jadi we nyebabkeun banjir lamun usum hujan teh. Tah, hal ieu teh kudu pisan ditanggulangi ti ayeuna pisan, ulah nepi ka nungguan aya bencana heula nembe ngambil aksi. Mun sampah geus medetan jalur cai mah bakal jadi jeram dina solokanna nu bisa-bisa ngabahayakeun nyawa manusa nu ngaliwatan nana. Mantakna, yuk urang leuwih bijak deui dina miceun sampah. Mun bisa mah kudu ngelola sampahna didaur ulang jadi barang nu bernilai. Yuk biasakeun milah sampah samemeh miceun sampah, supaha ngababarikeun proses penguraian samoah sasuai jeung masa waktu penguraian nana. Tong hilap kedah jaga babarengan kaberesihan!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8534", "text": "Jalma bisa ngarasa isin ngabogaan hutang badag pikeun sababaraha alesan. Aya stigma sosial napel jalma anu boga hutang badag. Masarakat sering nganggap yen jalma anu gaduh hutang ageung henteu tanggung jawab sareng henteu tiasa ngatur kauanganna kalayan leres. Jalma anu boga hutang beurat bisa jadi sieun ngobrol ngeunaan masalah finansial maranehanana sarta ngarasa saolah-olah maranehna bakal katampa. Aranjeunna tiasa hariwang yen aranjeunna bakal dilabelan salaku henteu tanggung jawab sareng bakal dibuang ku batur. Hutang anu ageung tiasa nyababkeun sababaraha akibat anu goreng sapertos karugian kiridit, setres emosional sareng masalah kasehatan mental. Ieu bisa nyieun hiji jalma ngarasa era jeung teu aman.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5227", "text": "Abdi sakulawarga nganjang ka imah bibi nu di Ciamis. Sapupu abdi meuni atoheun pisan sabab abdi datang ka bumina. Di bumi, bibi tos nyiapkeunsagala rupa pasakan kangge botram. Da sabab dijalan can emam, abdi sakulawarga ema heula botram di teras bumi. Abdi botram sarerea ongkoh-ongkoh we bari ngarobrol, teu sadar sapupu abdi nu opat taun teu muncul-muncul. Abdi nu engeuhm tos beres emam langsung milarian. Di kurilingan eta bumi teh da teu kapendak. Abdi tuluy mere nyaho sarerea, langsung we nembe mantuan milarian, komo bibi abdi mah riwaneun pisan. Pas bapak abdi nyusuran kolam lauk pipireun imah bibi, aya sapupu abi geus ngambang. Langsung dirawu ku bapak abdi teh, dicek nafasna, tos teu ayaan. Eta harita poe ngahaja botram teh kalah jadi mamala jeung kulawarga, khususna bibi abdi. Kaayaan sapupu abdi beungeutna tos pias kacida, awakna tiis pisan, sukuna geus hese dilempengkeun. Karunya pisan Gusti sapupu abdi, karunya oge ka sarerea kulawarga.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1060", "text": "Baheula di kampung mah teu kabeh imah boga toilet, biasana warga kampung nyieun toilet umum di deukeut walungan jang dipake mandi atawa BAB. Harita cuacana hujan wae, jadina walungan teh caah. Urang nu keur di toilet, ku sabab leueur teu kahaja labuh tuluy palid. Urang teu bisa ngojay lantaran masih keneh budak leutik. Kukucibekan bari kabawa ku cai, untungna aya uwa urang nu keur mancing. Kabeneran manehna sorana teh leutik pisan malah mah euweuhan, pas ngajorowok ge euweuh soraan. Jadina manehna nu langsung ngagejebur nyalametkeun urang. Untungna urang salamet mun euweuh uwa urang eta meureun nepikeun ka ayeuna urang geus euweuh di dunya. Matak sieun ayeuna mah mun ulin ka walungan nu keur caah, sieun kaalaman deui kajadian heubeul.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2448", "text": "Abdi henteu kantos ngiringan kontes atanapi naon waé anu mancing hadiah, bahkan murangkalih kuring dilarang ngiringan hal-hal sapertos kitu. Tapi kuring beuki panasaran, kuring nyampeurkeun ka pamajikan nu keur nyepeng amplop. “Aya naon Bu? Terus motor saha di imah urang? Aya tamu?”, kuring nanya. “Sakedap, antosan abdi ngajelaskeun heula. Tong terus nanya kitu, Mang, walon pamajikan. Tidinya aya dua tamu anu cenah ti Media Guru, naroskeun alamat simkuring tadi. Sanggeus nanya kaditu-kadieu, béjakeun di imah urang. Cenah bapa meunang motor minangka hadiah. \"Hadiah? Hadiah na? Ah, meureun salah kiriman atawa salah alamat. \"Enya, mun teu daek mah, motor téh keur manéh wungkul,\" walon pamajikan. “Ieu, baca sorangan!”, sambung pamajikan, ngasongkeun amplop nu eusina béwara.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2875", "text": "Sabenerna kuring henteu terang naha anu kuring tingali éta hantu atanapi henteu, sabab waktos éta kuring masih leutik, janten kuring henteu tiasa 100% yakin yén anu kuring tingali éta nyata atanapi henteu. Kajadian kahiji kuring nempo hantu di imah nini kuring sorangan, kuring poho lamun kuring keur sakola atawa henteu, tapi nu pasti waktu adi kuring libur ti SD sanggeus ujian semester. jeung dulur-dulur kuring keur anteng ulin di teras imah bibi kuring, waktu harita ti teras imah katembong rombongan anu mawa peti (posisi imah bibi kuring di sisi jalan). Kuring spontan nunjuk ka peti bari nanya ka dulur kuring nu geus maot. Tapi waktu leungeun kuring diacungkeun ka peti, leungeun kuring didorong ka samping bari aing kuring sieun sabab cenah \"lamun kuring nunjuk kana peti peti kuring kudu ngegel. ramo telunjuk nepi ka ngaluarkeun getih sangkan teu kaganggu ku mayit nu aya dina peti”.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2916", "text": "Saméméh dioperasi, kuring dititah nungguan ku dokter. Waktu éta, kuring rék ngalahirkeun anak kahiji. Bari ngadagoan, kuring jeung salaki ngobrol-ngobrol sangkan teu gugup. Tapi tetep, jantung kuring karasa beuki gancang sabab sajaba sieun naon anu bakal kajadian saatos operasi, kuring sieun disuntik. Utamana nalika operasi bagian awak kuring bakal ditebas sareng disuntik sababaraha kali. Perawat datang sareng masihan pituduh pikeun nyiapkeun. Salaki kuring nguatkeun kuring sareng ngadoakeun kuring sareng orokna salamet. Sanggeus dilahirkeun, Alhamdulillah orok urang lahir dina kaayaan sehat wal afiat. Tétéla sieun kuring dibales ku ningali beungeut anak kahiji urang. Saparantos dioperasi, nyerina kajantenan deui sareng abdi dipasihan ubar ku dokter supados awak tetep sehat sareng nyerina ngirangan. Alhamdulilah ayeuna tos 2 sasih abdi ngarasa sieun pas hoyong operasi caesar. Sanajan kitu, momen nungguan anak kahiji mangrupakeun momen anu bagja keur kuring jeung salaki. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5132", "text": "Ujian sakola jadi salah sahiji hal nu penting pisan dina rangkaian pembelajaran di sakola. Ujian dianggap jadi tolok ukur kaberhasilan sakola jeung siswa dina ngalaksanakeun proses diajar jeung ngajar. Tah, ku kituna urang salaku siswa kudu boga persiapan nu matang jang ngalaksanakeun ujian. Ulah nepi ka asal-asalan. Kudu inget papatah yen hasil mah moal mungkin ngahianati proses. Mantakna, urang kudu boga persiapan diri nu alus jang ujian ieu. Kudu boga oge rasa sumanget jang nyambut ujian. Kudu optimis jeung percaya diri konci sukses ngeusian ujian mah. Kumaha baraya tos sakumaha persiapan ujianna? Yuk ah urang matengkeun deui persiapan nana supaya hasilna memuaskan!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7590", "text": "Ayeuna keur usum culik jeung begal. Abdi oge dipiwarang waspada ku mamah jeung bapa. Komo ayeuna abdi nembe nganggo motor nyalira jeung mineng balik peuting. Hiji poe, basa abdi balik ti kampus, abdi ngarasa dituturkeun ku hiji motor. Di motor eta aya dua jalmi, jalmi anu dobonceng ningalikeun wae , abdi langsung curiga ka maranehna. Pas abdi ereun di sisi jalan, manehna oge miluan ereun. Lantaran geus sepi abdi langsung ngahaja nyimpang ka polsek. Pas abdi parkir di polsek abdi ningal motor eta langsung kabru, tapi abdi oge sempet ngapalkeun pelat nomerna tuluy dilaporkeun ka pulisi teras dianterkeun nepika imah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4374", "text": "Geus loba bukti nyata kapanggihna harta karun di Indonésia. Salian ti emas jeung tambaga, loba oge harta karun ti karajaan-karajaan jaman baheula. Sebut wae salah sahijina kapanggihna harta karun ti Karajaan Sriwijaya saharga milyaran Rupiah, anu kapanggih ku para penyelam lokal sapanjang Walungan Musi, Palembang. Dina waktos eta, panyilem teu ngahaja mendakan harta anu luar biasa. Di antara ieu aya patung Buddha abad ka-8 anu dihias permata, sareng rupa-rupa emas permata pikeun raja. Basa mimti manggihan nana penyelam teh reuwas jeung teu nyangka yen eta teh harta karun anu wajib di laporkeun jeung di lindungi nagara, kusabab ka asup barang sejarah. Tapi, hanjakal, alatan informasi minimal, harta ieu dijual ka dealers antik. Ku alatan eta, lamun ngahaja manggihan harta karun, eta leuwih hade geuwat ngalaporkeun ka otoritas luyu jeung hukum nu lumaku. Ieu boga tujuan pikeun ngalestarikeun obyek tina sajarah kaliwat nu masih bisa dikubur di sagala rupa wewengkon di Indonesia.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9178", "text": "Waktu éta kuring keur dahar jeung babaturan saangkatan di kuliah. Urang milih meja anu pangbadagna meh bisa nyocogkeun jeung loba jalma. Di beulah katuhu kuring aya sobat kuring anu ngaranna Dila, di kénca kuring aya babaturan saangkatan kuring. Kuring ngan ukur terang namina Bobi tapi kuring henteu caket sareng henteu kantos ngobrol sareng anjeunna. Sabot keur dahar, tetela si Bobi teh jalma nu sok ngadongeng, nyiuk dahareun jeung mulutna teu eureun-eureun ngeceprek. Ujug-ujug, leungeun kuring beunang ku ciduh jeung kacipratan tina mulut manehna, tapi manehna teu sadar. Kuring langsung jadi teu mood weh harita teh, tuluy kuring nyokot tisu baseuh dina kantong kuring. Kuring neruskeun dahar bari gancang, sieun beunang ciduh si Bobi deui. Saparantos bérés dahar, kuring pamit indit tiheula rerencangan abdi si Dila.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6372", "text": "Papanggih jeung jalma asing nu make baju na sarua jeung urang, di tempat umum teh mangrupakeun hal nu sabenerna mah kudu dianggap wajar. Teu kudu overthinking komo boga rasa geuleuh mah, sabab hal eta teh hal wajar da biasana fashion teh nyasuaikeun jeung nu keur musim. Anggursih mah tegur sapa ambeh wawuh, sugan we bisa jadi duduluran ka hareupna. Ulah nepi ka boga pikiran negatif dina nyikapi nana, kudu tetep positif supaya teu jadi beban pikiran. Da saruaan baju jeung nu teu wawuh teh salah sahiji hal nu teu bisa diprediksi. Mantakna, keun we teu kudu dipikiran atawa dipake kaera, antep we da wajar!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9022", "text": "Nalika kuring alit, kuring pernah murag tina sapédah ngakibatkeun luka dina suku sareng panangan kuring. Harita kuring keur naek sapedah deukeut imah kuring bari ngurilingan, tuluy ku sabab bosen kuring nyieun halangan sangkan jalanna rada heureuy. Tuluy bosen pedah lila teuing, ahirna kuring indit ka tempat anu rada jauh nu aya tanjakanna. Nya, sakali kuring ngayuh sapédah dina kecepatan anu luhur pisan sareng waktos éta kuring ngarasa bungah pisan sabab kuring tiasa ngarasa angin anu kuat. Tapi saatos naék tanjakan, rem sapédah kuring ngadadak teu jalan sareng nyababkeun kuring make suku salaku rem manual. Tapi tétéla teu boga pangaruh dina laju sapédah na, ahirna kuring ngahaja ngarahkeun sapedahna ka hiji tangkal gede sisi jalan nu loba rungkun, nepi ka sapedah kuring nabrak tangkal jeung kuring labuh kana taneuh. Alatan kajadian éta kuring sakapeung sok sieun naék sapédah lantaran sieun rem sapédahna blong deui, ayeuna mah kuring leuwih resep leumpang lamun rék ka mana-mana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2583", "text": "Nalika anjeun ambek, getih bakal langsung ngalir ka korteks frontal sareng ngirangan kamampuan jalma pikeun mikir sacara rasional. Hasilna tiasa nguntungkeun anjeun, tapi ogé tiasa dianggo ngalawan anjeun. Ku alatan éta, nalika ngarasa ambek, loba jalma kalakuanana teu rasional sarta tungtungna kaduhung. Lamun ambek kudu ngitung ti hiji nepi ka sapuluh samemeh polah, sabab kamampuh otak pikeun mikir sacara rasional teu optimal. Saterusna, balukar amarah bakal ngabalukarkeun kelenjar adrénal ngahasilkeun adrenalin jeung hormon stress, nyaéta kortisol. Lajeng getih nu ilaharna ngalir ka lambung sarta peujit bakal robah arah ka otot sarta nyiapkeun awak anjeun pikeun perang. Kusabab éta, sakapeung jalma tiasa ngalakukeun hal-hal anu di luar kamampuan fisik nalika ambek, sakumaha dilaporkeun ku Daly Health Post (08/09).\r\n", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2223", "text": "“Masalahna bisa disebutkeun leutik, lain masalah ékonomi, lain awéwé atawa masalah jalma katilu, tapi meureun masalah sauyunan atawa teu merenah deuih,” Prosés pangadilan téh lumangsung kurang leuwih dua bulan, ti mimiti registrasi nepi ka prosés sidang nepi ka mediasi. Dumasar data Badan Pusat Statistik (BPS) Badan Pusat Statistik 2017 , jumlah kasus cerai lumangsung dina taun eta aya 447.743. Angka ieu ngaronjat dibandingkeun taun saméméhna anu ngahontal 291.677 kasus. Tapi sigana hal eta heunteu berlaku atanapi kolot kuring kaasup nu penyebabna parah, anjeun mimiti salah nalika kuring lulus ti SMK sareng ngamimitian damel di Malaysia. Selingkuh jeung awéwé ieu. Indung kuring ukur bisa ceurik jeung curhat. Anjeun ogé nyiksa indung kuring sacara lisan sareng fisik. Indung abdi? Masih teu hayang pisah. Meureun indung kuring sieun ku gelar randa. Bapa teu acan damel ti abdi SMP. ganjil. Poé gawé saminggu libur. Teu acan damel, nginjeum kaditu-kadieu, nu ibu mah teu terang kanggo naon. Untung ema mah mandiri. Indung ngahasilkeun emping melinjo ukur keur duit saku jeung keur meuli sayuran. Abdi teh budak anu paling mampu, unggal bulan ti saprak lulus sakola teu pernah bolos. Indung kuring nyéwakeun sawah, kuring mayar listrik, adi kuring sakola, jsb.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4283", "text": "Kabiasan urang indonesia ka hal anu berbau horor atawa jujurigan teh nyaeta sieunan pisan babari ngajerit reuwas tapi sok panasaran wae. Eta bisa kabukti tina konten konten horor konten konten jurig boh di youtube boh d instagram atawa di tiktok loba pisan anu nongton na. Loba konten konten siga panalusuran kitu ka gunung ka bangunan anu geus teu di pake anu kacirina serem kitu di datangan, nepi ka pernah aya anu ningali reuwas leuleus kitu tapi tetep weh ngajieun konten anu kitu. Padahal konten aku kitu kadang bisa ngabahayakeun diri urang jadi bisa ngrusik jurig jurig kitu pan karunya oge ka urang manusa na lamun nepi ka reuwas atawa nepika gering geus ningali anu kitu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2132", "text": "Aya seueur cara pikeun janten indung anu saé, sapertos diajar tina pangalaman, henteu sieun menta hampura, damel sareng pasangan anjeun. Janten kumaha carana janten kolot anu kohesif pikeun anu nembé ngagaduhan budak, khususna indung, sapertos kieu:\r\n1. Kerjasama sareng mitra\r\nJieun perjangjian jeung pasangan Anjeun pikeun aub langsung dina raising barudak. Émut, ngurus budak sanés hartosna éta ngan ukur padamelan indung - henteu paduli persepsi masarakat anu masih kuat ka arah éta. Pasangan anjeun kedah gaduh visi sareng misi anu sami sareng daék nyandak masalah pikeun ngangkat budak.\r\n2. Bisa jadi pangdéngé nu hadé\r\nSalah sahiji cara pikeun janten indung anu saé nyaéta janten pangdéngé anu saé pikeun anak anjeun. Nalika murangkalih dewasa, anjeunna kedah gaduh batur anu dipercaya janten tempat pikeun ngémutan sadaya parasaan na, naon waé topik anu dibahas. Ku alatan éta, coba salawasna komunikasi jeung barudak sarta jadi pangdéngé alus ambéh maranéhanana bisa betah ngabejaan carita jeung indungna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3006", "text": "Kuring ngarasa tiis ngaliwatan kuring, saolah-olah mawa kuring jauh. Beuheung karasa dicekek, sesah ngambekan, ketug jajantung. Leungeun kuring kesang najan karasa tiis di sabudeureun awak. Awak kuring oyag. Sirah kuring pusing pisan. Abdi badé nelepon indung kuring pikeun nganterkeun kuring ka UGD tapi kuring henteu tiasa nyarios nanaon. 2 jam kuring cicing di kamar kalayan parasaan anu parah pisan. Kuring masih ngageter lamun inget waktu éta. Saprak harita kuring mimiti nyoba salawasna mikir positif, nyandak napas jero lamun gejala munggaran mimiti lumangsung. Tapi nepi ka ayeuna mah mun keur nyupiran, sok bingung mun ngadéngé klaksonna hurung jeung hurung dina ceuli. Ngajadikeun kuring bingung ku visi kabur. Sakali deui kuring kudu nenangkeun diri. Nepi ka ayeuna kuring masih kaganggu sare. Teu saré. Ngémutan teuing. Pikiran hal-hal anu teu acan kajantenan sareng hariwang pisan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5680", "text": "Tilu hal nu kudu dilakukeun mun urang meunang perlakuan teu adil ti batur Nu kahiji nyaeta kudu sadar kana kamampuan diri, oge kudu sabar dina ngajalanina. Nu kadua nyaeta ungkapkeun we rasa kakesel urang sabab diperlakukeun teu adil. Tong dipendem wae ku sorangan, ungkapkeun yen urang ngarasa teu ngeunah jeung jengkel sabab diperlakukeun teu adil. Nu katilu nyaeta tingnkatkeun kamampuan diri urang sorangan, buktikeun yen urang ge bisa jadi leuwih ti batur. Mun geus diperlakukeun teu adil, fokus we ngembangkeun kamampuan supaya bisa ngaleuwihan kamampuan nu ngalakukeun teu adil ka urang. Tapi, kudu inget yen urang sabisa mungkin tong ngalakukeun hal nu sarua.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2599", "text": "Naha anjeun kantos diperlakukeun sacara teu adil ku babaturan anjeun atanapi anu dipikacinta?\r\nsakali. Waktos eta kajadian, abdi damel di mini market di kota abdi, dina peraturan mini market teu aya karyawan anu diidinan kuliah.\r\nTeras aya karyawan énggal, waktos éta anjeunna damel kirang langkung 5 sasih, sareng anjeunna nyobian ngadeukeutan bos, sareng tungtungna saatos sababaraha dinten, anjeunna tiasa kuliah sareng damel di mini market.\r\nWaktu éta kuring jeung réréncangan ngarasa kuciwa kana perlakuan bos ka pagawé anyar. Sarta pamustunganana kami ménta katerangan ka bos, naha anjeunna ngidinan pagawe anyar pikeun kuliah bari urang nyandak cuti gering éta geus ngobrol.\r\nLantaran loba nu teu satuju kana putusan si bos, si bos ngaharéwos muru pagawé anyarna, régulasi di mini market balik deui ka cara awalna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1413", "text": "Salah ngageroan ngaran batur bisa nimbulkeun rasa era nu cukup gede jang urang nu ngalakukeun kasalahan eta. Hal ieu ku sabab aya sababaraha faktor nu bisa beuki parah rasa erana eta. Nu mimiti, kasalahan ngageroan ngaran batur bisa nunjukkeun kurangna perhatian jeung henteu padulina urang ka jelema nu ku urang geroan. Nu kadua, kasalahan ieu oge bisa ngaindikasikeun mun urang teu ngahargaan identitas atawa jati diri jelema nu ku urang georan, nu bisa ngakibatkeun perasaan teu nyaman ka jelema nu ku urang salah geroan ngaranna. Nu katilu, kasalahan ngageroan ngaran batur bisa nyebabkeun ngarasa teu dihargaan jeung diabaikeun ku urang, hal ieu nimbulkeun perasaan keuheul jeung nyeri kate ka jelema nu ku urang salah panggil ngaranna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1026", "text": "Glassophobia nyaeta kasieunan nu kaleuleuwihi lamun ngomong di hareupeun umum. Fobia ieu bisa muncul pas urang keur dipenta ngomong dihareupeun loba jelema, siga pas keur presentasi, pidato, atawa pas ngalakukeun kerja kelompok nu tiap jelemana teh wajib ngomong. Biasana mun mibogaan rasa kapercayaan diri anu kurang atawa ngarasa teu bisa ngomong di hareupeun loba jelema, jadina sieun. Tuluy ditambah mun kurang pangalaman ngomong di hareupeun loba jelema, hal ieu nu bisa nyieun urang ngarasa teu siap atawa kurang percaya diri, komo mun dipenta ngomong dihareupeun loba jelema teh ngadadak, pasti weh boro-boro bisa ngomong, mikir jang ngarangkai kecap-kecap ge jadi hese.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5180", "text": "Basa ngiringan Kejuaran Nasional Arung Jeram tahun 2021 di Lampung, abdi kenging juara. Alhamdulillah abdi dina poe kahiji kenging medali perak dina nomor sprint. Poe kadua kenging medali perak deui dina nomor head to head. Tah poe katiluna kenging medal emas dina nomor slalom. Tuluy poe terakhir kenging medali emas dina nomor down river race. HAsil medali eta ngajantenkeun tim abdi jadi juara umum 1 kategori junior women. Alhdmulillah bungahna moal aya, sabab ieu teh pertandingan mimiti abdi. Bakal jadi pangalaman paling membanggakan we ieu mah bakal na teh. Oge bakal jadi motivasi abdi pribadi jang ngikuti pertandingan selanjutna di waktu-waktu nu akan datang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8171", "text": "Jalmi nu keur sakarat teh tos sakuduna sieun. Kumaha rek teu sieun cobi, dina waktos sakaratul maut ieu teh waktos-waktos ahir urang hirup di dunya. Urang bakal ninggalkeun sagala perkawis nu aya di dunya tur mertanggungjawabkeun sagala perkawis nu tos dilakukeun di dunya di pangadilan aherat. Urang tiasa sieun kusabab engkin urang bakal sorangan cicing di alam kubur teu tiasa ningali kulawargi. Biasana jalmi nu keur ngalaman sakaratul maut bakal diririung ku kulawargina kusabab ieu waktos terahir tiasa ningali almarhum atanapi almarhumah. Upami nu sok ibadah sawaktos ieu bakal sedih pisan kusabab moal tiasa deui ngarasakeun nu ngaranna ibadah ka gusti Allah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3001", "text": "Aya terapi anu paling umum dina nungkulan fobia, nyaéta:\r\n1. Terapi paparan\r\nTerapi psikologis ieu alamat sikep tangtu anu ngabentuk kana waktu. Tujuan utama terapi ieu nyaéta pikeun ningkatkeun kualitas kahirupan supados phobia anjeun henteu deui ngabatesan rohangan hirup anjeun. Psikolog bakal ngabantosan anjeun ngatasi phobia ieu ku terus-terusan nyiptakeun sorangan. Nanging, tong hariwang sabab psikolog bakal ngalakukeunana dina kaayaan anu aman. Kana waktosna, nalika anjeun biasa sareng gaduh kasabaran anu langkung ageung pikeun sieun nyalira, maka psikolog bakal naroskeun anjeun pikeun ngalakukeunana dina kaayaan anu nyata. Terapi paparan boga tujuan pikeun nungkulan paripolah batur anu condong nyingkahan sumber phobia nu. Dina terapi ieu, dokter bakal nyobian masihan paparan ka sumber fobia tina penderita autophobia, dimimitian ku situasi dikawasa tur nuluykeun jeung situasi real-hirup. Harepan éta nu sangsara bakal bisa nyanghareupan katiisan dina mangsa nu bakal datang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5565", "text": "Poe ieu abdi rencana na bade angkat ka pasar baru kangge meser sababaraha bahan baju. Abdi indit make DAMRI supaya leuwih murah. Geus nepi pasar baru, abdi tuluy ka lantau luhur ka tempat ngajual kain jeung bahan. Abdi neneangan kain ka sababaraha toko bari ngabandingkeun harga. Di hiji toko, abdi keur ingalian batik, eh kabeneran pisan nu gawe na teh babaturan abdi basa SMP. Asa waas pisan geus tujuh taun teu amprok. Akhirna amprok oge didieu. Anjeunna geus gawe didieu salila dua taun, terakhir amprok jeung abdi teh basa perpisahan SMP. Duh alhamdulillah keneh dipaparinan kasehatan jeung rezeki amprok jeung babaturan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6090", "text": "Rem blong teh mangrupakeun mayoritas penyebab kecelakaan di jalan raya. Tah hal-hal ieu nu ngajadikeun rem kandaraan blong atawa teu kakendali. Nu kahiji nyaeta kabocoran minyak rem. Mun aya kabocoran minya rem, piston jeung kampas rem teh teu bisa narima tekanan, sehingga ngajadikeun rem blong. Nu kadua nyaeta vapor lock, suhu minyak rem panas teuing ku sabab lila teuing diteken. Minyak rem bakal mendidih mun panas teuing, tuluy nguap. Tah uap ieu nu ngajadikeun rem blong. Nu katilu nyaeta brake fade, kampas rem aus nu ngajadikeun rem euweuh gesekan jeung tekanan jang ngeureunkeun kandaraan. Brake fade jeung vapor lock sarua penyebabna, nyaeta ngerem terlalu lila jeung bebanna terlalu beurat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2588", "text": "Barang? Ieu kabiasaan gorng norak...pernah aya nu ujug-ujug jadi ahli ngalungkeun piring atawa gelas.Praktekna biasana lumangsung ti budak leutik ditandaan ku tantrums, dididik ku kolot anu condong ninggalkeun eta sangkan budak salawasna ngarasa boga hak pikeun meunang naon. aranjeunna hoyong. Lajeng ti leuleutik anjeunna diajar yén lamun kuring ambek, indung kuring bakal minuhan pamundut kuring. Kuring loba ngobrol sorangan….Kuring geus dewasa, kuring nyaho tatakrama, jadi kuring teu hayang kalakuanana teu sopan, kuring kudu jadi di kontrol jeung sok hayang manggihan informasi leuwih saméméh spewing emosi kuring kaluar. Di sisi anu sanés, sanaos sirah anjeun karasa panas sareng hoyong ngabeledug, ngagali langkung jero, ngajantenkeun jalma anu anjeun berinteraksi sareng ningali ogé…. oo h jalma ieu teu puguh nuturkeun émosi na bener…. . Nyarita taliti, bakal ngahasilkeun solusi ti ambek jeung ambek.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4291", "text": "Keur leutik adi urang pernah meunang hadiah tina ciki. Hadiah na duit 100 rebu, duit sakitu basa eta jeung keur budak leutik mah kan gede pisan, bisa puas puas jajan. Mimitina adi urang kesel da ciki di warung geus beak kari hiji hijina jadi teu bisa milihan di imah balik jajan kalah ambek ambekan da ciki na ceunah ges teu alus bungkusna. Ari pas keur di dahar cikina adi urang manggihan sesuatu anu di bungkus ku kertas minyak warna koneng, ari pas di buka teh aya duit 100 rebu eta adi urang meuni langsung reuwas tapi jeung bungah pisan, ti dinya manehna ges bahagia meunang duit teu ambek ambekan deui. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7513", "text": "Poe ieu abdi diajakan ngojay ku rerencangan. Abdi sabenerna teu daek miluan lantaran teu tiasa ngojay tapi lantaran hoyong patepang sareng rerencangan kapaksa abdi miluan ngojay.pas di tempat ngojay abdi ngan cicing di kolan anu deet hungkul, tapi aya sababaraha rerencangan abdi anu jago ngojay ulin ka kolam anu jero pisan. Teu lila rerencangan abdi nitah abdi ka kolam anu jero eta, manehna nitah abdi nyekelan ka beusi anu aya di tengah kolam jero jeung deet. Abdi langsung ka kolam eta, tapi mereun pedah geus lila, eta beusina potong teras abdi teu tiasa nyepeng ka mamana. Abdi langsung panik lantaran sieun bisi kalelep ka kolam jero eta, abdi langsung ngagupayan ka rerencangan abdi anu tiasa ngojay. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5231", "text": "Unggal manusa pasti bakal penda jeung nu ngaran na kamatian. Cara supaya urang senantiasa siap ngahadapi kamatian nyaeta nu kahiji lobakeun amal ibadah salila hirup. Tah, harta benda jeung sajabana teh moal mungkin di bawa maot, nu di bawa maot mah ngan hiji, amal ibadah kasaean urang. Jadi, yuk ah lobakeun ibadah jeung beramal ti ayeuna. Nu kadua nyaeta pertebal kaimanan. Tah hal ieu teh bisa diteang ku rajin ibadah, rajin neang elmu agama, jeng rajin implementasikan nana dina kahirupan. Nu katilu nyaeta perbaiki diri urang. Diri urang kuduna unggal poe ningkat kaimanan jeung kualitas dirina, bisa ku cara memperbaiki diri. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4355", "text": "Reuwas atawa kaget lamun ujug ujug hamil nyaeta ekspresi anu mimiti pangtulusna. Reuwas teh bisa rupa rupa, reuwas teu sangka kusabab di bere langsung tereh kawas gitu, reuwas teu sangka yen akhirna di bere saenggeus lila nungguan mangtahun tahun. Tapi umumna lamun kanyahoan hamil komo ujug ujug saenggeus reuwas pasti di barengan ku ceurik haru jeung bungah. Haru yen akhirna Allah mere kapercayaan jeung tangtuna tanggung jawab anu gede kahareupna. Bisa atawa henteu urang salaku kolot na engke tanggung jawab keur hirupna lahir bathin. Teu ngan soal duit tapi oge kasih sayang, didikan di imah na teu ngan saukur di sakola jeung sajabana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4281", "text": "Jujur urang sorangan mah can pernah ningali jurig jurig jeung sajabana, tapi urang mindeng pisan ngadenge caritaan ti babaturan atawa tangga sering pisan anu pernah manggihan jurig. Maranehna reeuwas pisn aya anu nepika pingan jeung isukan na gering. Jurig sabenerna pan loba pisan jeung aya dimana wae, babaturan sakola urang pernah basa di kamar mandi sakolah ceunah ningali jurig kunti keu cicing, eta teh kajadian na basa jam sakola keneh jadi rame pisan sasakola. Manehna anu ningalina langsung shock reuwaseu pisan untung teu nepi ka pingsan, manehnna langsung lumpat ngagorowok tarik pisan ngajieun sasakola jadi rame tuluy guru guru jeung babaturan na nyamperkeun manehna bari leuleus carita tuluy di tingali ku sarerea ka kamar mandi tapi eweuh nanaon.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "625", "text": "Pernah reuwas teu pas divonis ku dokter mibogaan panyakit nu moal cageur? Urang pernah, tuluy pas balik ti dokter teh kapikiran, stress, nepikeun ka panyakit nu dina awak teh lainna cageur malah tambah-tambah. Barang mimitina mah asa teu sumanget hirup, sabab era mibogaan panyakit luar nu bisa katinggali ku batur. Tapi lila kalilaan mah geus damai jeung diri sorangan, geus narima naon nu ku Allah bikeun ka urang. Ku urang dilakonan jeung dileukleukan supaya sahenteuna teu nyebar teuing panyakitna. Panyakit ieu tambah parah teh sabenerna pedah urang teu ngubaran ka dokter, kalakah hare-hare ku kayakinan bakal cageur sorangan, apekteh naon nu dipikir ku urang teh salah. Matak ayeuna kaduhung pisan baheula teu geura-geura dipariksa ka dokter.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8981", "text": "Saeutik carita tina sababaraha kajadian di sabudeureun kuring patali jeung jadi saksi. Sajujurna, di wewengkon kuring, lamun jalma-jalma dipénta jadi saksi dina hiji perkara, upamana, aya kacilakaan jalan, jarang aya nu hayang nyaho saha nu bener-bener kasalahanana. Sanajan anjeunna terang masalahna. Utamana pikeun kasus anu langkung ageung, sapertos maling, panganiayaan sareng anu sanésna. Kuring ogé panasaran naha bisa jadi kitu? Disidik-sidik, dumasar kana carita-carita, naha teu hayang jadi saksi, salah sahiji alesanana sieun ahirna nimbulkeun masalah panjang. Contona kasus kekerasan atawa premanisme. Masarakat teu hayang jadi saksi atawa ngalaporkeun hiji pasualan sabab reporter atawa saksi bisa jadi boga masalah jeung palaku dina mangsa nu bakal datang. Atanapi sanés janten wartawan sareng saksi, anjeun janten tersangka.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7340", "text": "Lamun tos dekeut ka magrib di sasih Romadon pasti di jalan macet pisan. Seeur jalmi anu ngudag waktos supados tiasa buka di imah jeung sholat jama'ah di masjid. Teu sakedik oge jalmi anu ngabuburit sabari moro dahareun kanggo buka puasa janten jalanan teh rame pisan. Seeur jalmi anu mawa motor jeung mobil ereun di sisi jalan lantaran meser dahareun anu mangkal di sapanjang jalan, hal ieu tangtu ngajadikeun jalan macet pisan. Teu sakedik oge aya kajadian nabrak kandaraan anu dihareupna lantaran ereun lila teuing di sisi jalan anu sanes tempat parkir anu ngajieun jalmi anu di tukangna ambek lantaran ngajieun macet.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7285", "text": "Ku lantaran tos sababaraha kali kaguguran, rerencangan abdi teu ngarep deui gaduh murangkalih, tapi manehna ngalakukeun usaha kanggo hamil lantaran putrana anu kahiji tos tilu taun, manehna hoyong gaduh adi. Abdi oge sedih basa manehna masiha kabar yen manehna kaguguran. Abdi nyarankeun ka manehna supados teu pati mineng digawe lantaran bisa wae eta janin kaguguran teh lantaran manehna cape. Sasih ieu manehna leuwih sering gawe di imah, teu ka kantor jeung leuwih sering istirahat, teu loba begadang. Kamari, manehna beja yen manehna teu napsu dahar jeung ngarasa awak gampang cape. Abdi langsung nitah manehna tespek, epekteh bener manehna hamil tos tilu minggon.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8183", "text": "Dibully teh rasana teu geunah pisan. Upami bade kamana-mana teh paraur kusabab sieun papanggih palaku pembullyan. Pembullyan teh tiasa kajadian dimana wae, kumaha wae, kasaha wae, sareng mere dampak nu sarua hadena. Dampak pembullyan teh tiasa nyieun trauma nika ka korban tos gede janten jalma dewasa. Rasa sieun dibully teh janten perasaan nu teu tiasa leungit. Rasa sieun nu asalna ngan saukur sieun indit kamana-mana janten sieun ka sagala rupa kaasup nyokot kaputusan dina kahirupan korban bully. Intina rasa sieun kusabab bully tiasa nyieun korban pembullyan teu percanten ka dirina nyalira. Ieu teh goreng pisan tur janten jadi masalah sosial.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6821", "text": "Abdi atoh pisan tiasa katarima di perguruan tinggi negeri. Sanajan asalna teu pati ngahareupkeun katarima lantaran bisi kuciwa ku hasil na. Abdi atoh lantaran sagala usaha abdi kanggo katarima di perguruan tinggi kabayar. Asalna abdi pernah mikir lamun taun 2019 abdi teu katarima SBMPTN deui, abdi bakal janten guru di sakola teras kuliah sabari ngajar. Tapi alhamdulilaha abdi teu nyerah kanggo ngudag cita-cita abdi. Matak kanggo saha wae ulah gampang nyerah ngudag cita-cita . Upami urang tos gaduh kahoyong keung kahoyong na teh sae jeung cara na bener pasti bakal aya jalan na. Hayu urang ngusahakeun kanggo ngudag anu dipikahoyong ti lengkah sa alit naon wae teu sawios.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1122", "text": "Rasa sieun nimbulkeun rasa teu aman pas keur sorangan mangrupakeun hal nu mindeng dialaman. Biasana keur di tempat asing atawa tempat anu teu dipikawanoh. Penting jang urang ningkatkeun rasa percaya diri jang diajar kaparigelan nu bisa mantuan batur minangka nyanghareupan situasi nu pikasieuneun, siga diajar self-defense atawa miluan les silat. Urang oge bisa ngagunakeun teknologi meh ngarasa leuwih aman pas keur sorangan. Misalna ngagunakeun aplikasi pengawal virtual, ngirim lokasi ka babaturan atawa kulawarga, oge ngagunakeun sistem kaamanan imah nu canggih. Ngameh urang bisa mengatasi rasa teu aman pas keur sorangan jeung ngarasa leuwih percaya diri jeung aman dina nyanghareupan situasi nu pikasieuneun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4051", "text": "Urang biasana ka mall unggal dua minggu sakali, sabenerna urang teu resep balanja tapi aya waktu dimana urang kudu balanja sakeur kabutuhan di imah boh sakeur kabutuhan diri sorangan. Jadi urang teh ka mall sogo, ieu teh mall alus jeung gede. Teu lila urang nempo aya riuangan jalma di sabeulah katuhu, terus aya loba kamera jiga keur di wawancara ku wartawan. Urang bisana tara hayang nyaho hal-hal nu kararitu, tapi basa eta urang panasaran pisan hayang nempo. Terus urang ningali ka ririuangan eta, ngausahakeun ka harep meh ka tempo. Pas geus ka hareup urang nempo Afgan jeung Maudy keur di wawancara ceunah maraneh na nuju meser kado sakeur rerencangan ulang tahun, urang bungah pisan bisa amprok jeung Maudy Ayunda soalna ti bareto jaman film perahu kertas urang resep pisan ka maneh na, geus mah geulis, pinter, jago akting, boga sora anu alus pisan, kabeh lagu-laguna urang apal. Teras urang kabeneran tiasa popotoan sareng Maudy, bari ngucapkeun nuhun. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9197", "text": "Cara katilu pikeun nyegah kadaharan gancang ruksak nyaéta séépkeun dina hiji atawa dua poé. Ulah nyimpen sésana pikeun lila teuing. Upami urang acan nuang dina tilu dugi ka opat dinten, langkung saé dipiceun wae. Kusabab dina waktos ayeuna, sanaos henteu aya parobihan anu katingali dina penampilan dahareun, kamungkinan baktéri ngabahayakeun parantos aya dina dahareun. Langsung asupkeun sésa-sésana ka kulkas, teu leuwih ti dua jam sanggeus dahar, seepkeun sésana dinahiji poé atawa dua poe. Kaopat, tiiskeun bungbuahan sarta sayuran dina kaayaan garing. Wios teu kedah ngumbah buah atanapi sayuran anu badé disimpen dina kulkas. Ieu alatan nyimpen sayuran jeung buah dina kaayaan baseuh bisa ngagampangkeun tumuwuhna baktéri sarta ngabalukarkeun kadaharan gancang busuk. Langkung saé pisan mun ngumbah bungbuahan sarta sayuran saméméh didahar.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3297", "text": "Aliran walungan anu tadina garing, langsung dipinuhan ku runtah sarta warga anu nempo kajadian éta langsung reuwas. \"Ieu cai cikal gé buru-buru video, astagfirullah alazim Ieu meni gélo, runtah meni gélo (ieu cai kaluar gancang gélo dina vidéo, astagfirullah aladzim ieu gélo, edan pisan sampahna),\" gorowok saurang warga dina éta vidéo. .\n\nAtuh reuwasna mah warga lain malah nyebut sampah anu diguling-guling ku saluran cai siga tsunami. \"Ieu laut sampah, tsunami (ieu laut sampah, tsunami,\" cenah.\n\nNepi ka poé Rebo (31/10/2018) énjing-énjing, unggahan vidéo tumpukan sampah éta parantos ditonton 48 rébu kali sareng nampi 440 komentar serong ti netizen.\n\n\"Geus teuing,\" tulis nu boga akun @saniutaris.\n\n\"Masalah sampah mah ulah saling nyalahkeun, tanyakeun ka diri urang sorangan naha urang geus miceun sampah di tempatna,\" tulis nu boga akun @mitantutami sejen.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8481", "text": "Pangalaman pikageuleuhen pasti kantos kaalaman ku kabeh sarerea. Teu aya pengecualian pikeun jalma anu henteu kantos ngalaman kajadian anu pikageuleuhen. Ti leuleutik, urang pasti geus ngalakukeun anu disebut ngijih atawa ngijih dina calana. Malah leuwih parah, micen hajat atanapi modol dina calana anjeun. Geus tangtu hiji hal nu geuleuh. Nalika urang gering, urang pasti geus utah, ieu hal lumrah, tapi tetep, eta hal nu geuleuh. Tumuwuh nepi, urang oge moal leupas tina pangalaman atawa kajadian anu pikageuleuhen. Boh nu karandapan ku urang atawa jalma di sabudeureun urang. Komo deui urang Indonesia nu kabeneran nagara kotor jeung teu bisa ngajaga kabersihan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5691", "text": "Tilu hal nu bisa jadi penyebab ayana konflik sara di Indonesia nyaeta nu kahiji ayana perbedaan pandangan atawa pendapat antarsuku atawa antargolongan. Biasana hal ieu micu ayana konflik sara nu ngalibatkeun dua pihak dina waktu nu relatif panjang. Nu kadua nyaeta ayana perbedaan adat istiadat dina suatu suku atawa daerah. Hal ieu ge bisa micu konflik sara antarsuku atawa antardaerah jeung golongan sabab ayana pagentreng paham dina ngalaksanakeun adat istiadat. Nu katilu nyaeta ayana kasenjangan sosial antarmasyarakat sehingga micu timbulna konflik sara nu terkadi di suatu kelompok masyarakat. Tah hal-hal nu karitu teh kudu na mah dijauhan, dihindari supaya teu terjadi konflik sara.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9170", "text": "Poe ieu bapa kuring ka imah balik ti nguseup jeung babaturanana ka danau di desa sebelah. Lauk nu katewak ku bapa teh lauk nila. Waktu éta indung kuring the keur gering jadi teu bisa ngurus lauk keur dahar engke peuting. Janten bapa nitah kuring ngabersihan lauk sareng pang masakeun oge. Sajujurna, kuring teu bisa ngambeu bau hanyir, asa hayang utah. Tapi ku kuring di tahan weh, kuring malahan mah make masker kain dua lapis pikeun ngurangan bau hanyirna. Kuring ngabersihkeun sisikna, kuring ogé ngabersihan beuteung lauk dugi ka euweuh deui kokotorna. Sanggeus éta kuring méré jeruk nipis jeung bungbu séjénna, tuluy digoréng nepi ka asak. Sanggeus asak eta lauk teh, kuring teu hayang dahar sabab kuring masih ngabayangkeun bau hanyir, jadi kuring dahar jeung kurupuk.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6087", "text": "Rata-rata kacilakaan nu terjadi di jalan-jalan nu aya di Indonesia teh nyaeta salah sahiji faktor penyebabna teh rem blong. Komo mun kacilakaan truk atawa angkutan skala besar mah. Rem teh jadi salah sahiji hal nu wajib pisan dipelihara dina kandaraan sabab mangrupakeun pengendali tina laju eureunna kandaraan. Mun rem geus teu berfungsi teh potensi kacilakaanna tinggi pisan, komo mun kandaraanna kaleuwihan muatan. Loba kasus kacilakaan nu ngarenggut nyawa nu disababkeun ku rem blong. Teu saeutik oge kacilakaan nu terjadi di jalan tol teh disebabkeun ku rem blong. Mantak samemeh berkendara teh kudu diriksa heula sagala kondisi kandaraanna, termasuk pamariksaan rem nu penting pisan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5139", "text": "Pencapaian nu pang ngabanggakeun saur abdi mah nyaeta tiasa meser bumi ku ladang kerja keras nyalira, najan eta bumi ge nyicil. Lila mangtaun-taun nabung jang ngadepean eta bumi, ahamdulillah ayeuna tos rengse. Saur abdi mah bumi teh jadi barang nu penting pisan di kahirupan, sabab eta bisa jadi tempat pangbalikan urang mun timana-mana teh. Teu kudu mewah, nu penting cukup jeung sasuai kabutuhan urang. Kapeser bumi ku ladang nyalira mah seneng na moal aya tandingan, bungah kacida. Komo deui mun tinggalan na bareng jeung orang tua. Asa bangga we ka diri sorangan. Pencapaian eta teh jadi pencapaian puncak tinu sagala rupa kahayang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8975", "text": "Kuring sakali-kali milu kagiatan relawan anu ngabantuan masarakat, sarta kuring meunang imunisasi haratis di posyandu pikeun barudak. Tapi hiji poé lumangsung kajadian pikaseurieun di posyandu. Dimana hiji indung mawa tilu budakna anu umurna sarua jeung barudak sakola dasar. Nalika anak kahiji disuntik masih normal sabab teu aya perlawanan ti budakna. Mangka giliran anak kadua masih aman oge sanajan nalika disuntik anjeunna nangkeup indungna. Nalika giliran si bungsu, hese pisan sabab sieun pisan disuntik sanggeus nempo lanceuk nu kadua ceurik jadi teu daek disuntik. Tadina rek kabur ti kamar dokter tapi si lanceuk geus ngahalangan jalan kaluar, jadi si bungsu teu bisa kamana-mana. Ahirna salah saurang patugas lalaki nu beda-beda di kamar teh berinisiatif mawa si bungsu tapi teu kungsi waktu keur ngagotong, si patugas katajong \"ituna\" ku si bungsu, bari si bungsuna ge kabur tina genggaman patugas. Ahirna si ibu nyampeurkeun si bungsu bari ngalempengkeun jeung ngabujuk sangkan disuntik. Ahirna si bungsu hayang disuntik sanggeus sajam dibujuk ku indungna ku iming-iming kado anu bakal dibikeun sanggeus rek disuntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5671", "text": "Tilu cara nu kudu dilakukeun saorang muslim mun keur ngarasa ambek. Nu kahiji nyaeta lobakeun maca istigfar, jeung macana dilenyepan sing khusyu. Biasana mun loba maca istihfar teh sok sering eling ka Gusti Allah. Nu kadua nyaeta wudhu. Mun istigfar loba tapi jengkel keneh wae, cobian geura wudhu supaya ditiiskeun pamikiran nana. Nu katilu nyaeta sare. Mun jengkelna masih aya keneh wae, kudu pisan langsung disarekeun. Sabab daripada ngedalkeun kajengkel, mending mohokeun ku cara sare. Jadi, hudang sare teh bisa seger deui pikiranna. Tong hilap dina sagala lampah lantunkeun dzikir, lobakeun istigfar kana sagala dosa. Ulah nepi ka poho kanu nyiptakeun urang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1003", "text": "Rasa kasieun ku sabab demam panggung tangtuna tiap jelema beda-beda, beuki sieun biasana beuki parah. Nu dirasakeun mah unggal rek tampil teh sok mules wae jeung nyeuri beuteung, tungtungna bulak-balik ka toilet. Teu ngan saukur nepi dinya hungkul, suku oge mindeng hese digerakeun padahal geus kuduna maju. Nu paling parah demam panggung teh pas keur lomba volly, ari volly mah teu bisa cicing wae ngajentul di tempat, aya kalana urang oge kudu rotasi. Ieu paling sieun pisan ku sabab loba nu nongton, malah ditongton ku sa-kecamatan. Penontonna oge ngulilingan para pamaen nu keur lomba, ditambah jorowokan di penonton nu beuki sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8944", "text": "Aya sababaraha cara pikeun nungkulan jalma anu resep ngabully. Kahiji, ulah sieun. Lamun urang keur dibully, urang pasti bakal ngarasa sieun, tapi coba ulah nepi kasampak sieunna. Sasaran utama maranéhanana nyaéta jalma anu pengecut, pembully biasana bakal terus ngabully jalma anu kasampak penakut. Janten, nalika urang dibully, tong sieun. Lamun urang geus leuwih wani mah, gertak balik aranjeunna deui, ngabejaan sina eureun eta bullying teh. Ngegertak aranjeunna balik lain hartosna urang ngabully aranjeunna balik. Anu kadua nyaéta kapercayaan diri sareng pangakuan diri. Kapercayaan diri teh penting pisan. Lamun urang ngarasa minder, ngarasa lemah jeung teu daya, urang bakal jadi sasaran bullying. Urang bakal dijadikeun bahan ejekan babaturan. Tapi, lamun boga kapercayaan diri luhur, jalma séjén pasti bakal ngahargaan urang balik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5217", "text": "PT Dongan mangrupakeun salah sahiiji perusahaan tekstil gedean anu aya di daerah Kalijati, Subang. Tahun 2020, perusahaan ieu loba ngalaukeun PHK ka karyawanna. PHK dilakukeun massal. Aya sakira lima rebu karyawan nu kena PHK saminggu terakhir. Aya oge kayawan nu dipindahkeun gawena ka perusahaan lan nu nopang perusahaan ieu. PHK massal ieu dilakukeun sabab perusahaanna ngalami kabangkrutan. ieu tos kadua kalina PT Dongan bangkrut dina proses usahana. Ayeuna, PT Dongan diganti nami jadi PT Pesat Global tuluy ngasupkeun deui karyawan nu di PHK supaya gawe deui didieu. PHK massal ieu janten ngarugikeun berbagai piha, salah sahijina nya ngarugikeun pisan karyawan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2586", "text": "Perkawis ambek-ambekan anu timbul akibat tina pandangan urang kana kaayaan hiji masalah, kitu deui carita anu urang kadenge ti jalma lian, yen urang digosipkeun atawa difitnah.. Saran kuring ngan hiji. Diajar tunda réaksi anu datang ti puseur emosi.\nNaha, naha kuring nyebutkeun teu bersyukur? Langsung ngabeledug amarah. Antosan sakedap, réspon anu ditunda bakal masihan kasempetan pikeun cerebellum ngirim sinyal supados anjeun milarian inpormasi anu langkung akurat.Ulah ngan ukur percanten kana kecap hiji jalma, ieu bakal nyababkeun émosi anjeun.\nLamun datang ka masalah, coba kaanggo tina sudut pandang Anjeun. Hindarkeun kecap….intina nyaéta…..anjeun salawasna…… anjeun henteu pernah… nah pertanyaan eta nu bakal nyiaptakeun kasadaran yen ker urang nyewot teh.\n\n", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7791", "text": "Tos lami pisan abdi teu olahraga, matak poe ieu abdi gaduh rencana bade lumpat di sabudereun imah. Abdi ngahaja sarapan heula supados teu asup angin lantaran enjing-enjing ieu cuacana nuju tiris pisan lantaran sonten-sonten sok hujan. Teu lila saatos sarapan, abdi langsung lumpat. Abdi teu langsung lumpat gancang lantaran abdi nembe lumpat deui ayeuna. Teu hilap abdi oge ngahurungkeun lagu kanggo maturan kuring lumpat. Target lumpat abdi nyaeta dua puluh menit murilingan kebon jeung muir ka sisi jalan nepi ka imah kuring deui. Basa lumpat, abdi ngarasa seueul dina beteung teras utah lantaran teu kiat lumpat. Seeur batur anu ningalikeun kuring lantaran rujit ningal utah. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5921", "text": "Salaku umat Islam, urang kudu senantiasa eling dina sagala situasi. Tah mun rek tampil ge kudu eling ku babacaan, supaya teu demam panggung. Ieu tilu bacaan anu alus dihapalkeun samemeh tampil supaya teu demam panggung. Nu kahiji nyaeta maca surah Al-Fatihah. Surah ieu teh dipercaya bisa ngalancarkeun sagala hal. Nu kadua nyaeta ayat kursi. Tah ayat kursi teh bisa nyieun hate tenang jeung teteg moal geumpeur. Nu katilu nyaeta tilu Qul, surah Al-Ikhlas, Al-Falaq, jeung An-Nas. Tah tilu bacaan Qul ieu teh bisa nyieun lancar sagala hal jeung deuih senantiasa ngajauhkeun tina marabahaya. Mantakna penting pisan maca susuratan ieu dina samemeh ngalakukeun sasuatu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2622", "text": "Perlakuan toksik ti rekan-rekan gawé bisa dina wangun kecap atawa lampah, contona ngaremehkeun, nangtoskeun, disrespecting, provokator, maréntahkeun, bullying, pelecehan, ngamangpaatkeun, jeung manipulatif. Sajaba ti éta, nyieun drama jeung gosip ogé kaasup kana ciri batur sapagawean toksik.\r\n1. Sebutkeun lamun kapikiran\r\nSakapeung, hiji jalma teu sadar yén kecap atawa kalakuanana geus menyakiti jeung condong jadi racun. Janten, upami anjeun janten korban, tunjukkeun yén anjeun gaduh reservations ku nyarios kalem sareng sopan tapi tegas. Hal ieu dilakukeun ambéh maranéhanana nyaho yén perlakuan geus ngaleuwihan wates.\r\n2. Ngalibetkeun pihak katilu\r\nLamun perlakuan jalma toksik ieu geus ngarugikeun jeung ngaganggu kinerja Anjeun, Anjeun kudu ngalaporkeun ka pengawas karya Anjeun atawa pihak otorisasi pikeun nanganan keluhan pagawe. Ku cara éta, aranjeunna bakal diurus nurutkeun aturan anu berlaku.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8457", "text": "Geuleuh ningali tumpukan sampah tiasa pisan teu nyaman sarta memicu reaksi fisik jeung emosional. Sababaraha urang bisa ngarasa teu nyaman, hariwang, atawa pisan bagja. Ieu kusabab tumpukan sampah tiasa ngandung bakteri sareng partikel sanes anu tiasa nyebarkeun panyakit sareng nyababkeun bau anu teu pikaresepeun. Reaksi jijik kana tumpukan sampah oge tiasa dipangaruhan ku pandangan budaya sareng norma sosial, dimana sababaraha budaya tiasa ningali tumpukan sampah salaku hal anu teu higienis pisan sareng nyababkeun parasaan jijik. Sanajan reaksi geuleuh kana tumpukan sampah teh bisa ditarima tur umum, hal anu penting pikeun ngubaran sabudeureun kalawan hormat tur ngajaga kabersihan, sakumaha tumpukan runtah anu teu diurus bener bisa ngabalukarkeun masalah lingkungan jeung kasehatan serius.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2209", "text": "Dina mimiti kelas 2 SMA. Lamun ditilik-tilik jaman harita, sabenerna mimiti indit ka warnet téh ngan pikeun ngaréngsékeun tugas kelompok. Malah sok mampir ka warnet, kuring masih ngarasa éra jeung teu wani asup. Barina ogé, waktu éta kuring teu wawuh jeung komputer jeung dunya internét. Janten, réngsé tugas. Babaturan kuring langsung muka buruan sareng kusabab panasaran kuring ningali anjeunna maén. Kusabab eta kasampak fun, Kuring nanya ka diajar eta, sarta jadi kuring maén babarengan, sabab dina waktu éta aya kénéh loba RF na Gunbound kaulinan. Sareng dugi ka ayeuna, mimitian ti Oktober / Nopémber 2019, kuring henteu kantos maén deui kaulinan online. Tapi tetep up-to-date ngeunaan warta ngeunaan kaulinan sareng kuring ogé sok ngamutahirkeun kaulinan kuring liwat platform Steam atanapi Origin tanpa mencét tombol peluncuran Game. Anjeun tiasa nyebatkeun hal nu nyieun nyesel sabab waktos éta kuliah kuring runtuh teu bener sareng jadi nyiaptakeun kuring pangangguran salami sataun ti kuliah. Tong naroskeun deui pola sare, ari wengi mah beurang, beurang jadi peuting. mangkana ngintrol waktu jang game teh penting", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3269", "text": "Abdi janten salah sahiji jalma anu \"mabok\" nalika naék mobil/beus atanpi keur geuleuh ka lalauk. Abdi badé ngabagi pangalaman kuring. Anu paling penting, ulah ngantep beuteung kosong. Dahar teu langkung ti 30 menit sateuacan perjalanan, teras nginum tolak anginin sareng antimo saatos tuang. Lamun lapar salila perjalanan, dahar biskuit kurupuk. milarian anu raoseun netral sapertos kurupuk malkist khong guan. Ulah nginum inuman bersoda. Coba hal haneut, tapi teu kopi atawa susu. Preferably cai atawa tea. Mun teu aya inuman panas mah biasana mawa cai mineral anu dicampur rasa sapertos nutri essence. Rasa cai mineral sabenerna ngajadikeun kuring seueul nalika kuring dina kendaraan. Salami istirahat di réstoran, cobaan milarian tuangeun anu nganggo sup panas sapertos bakso atanapi sup. Jeung sakadar pancegahan, kuring sok nginum antangin/tolak angin JEUNG antimo deui sanggeus dahar.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6289", "text": "Lima sarangga nu sok aya di imah jeung jumlahna loba. Nu kahiji nyaeta kecoa. Kecoa teh pasti aya dina imah nu teu kaurus atawa nu kotor Nu kadua nyaeta lembing. Lembing teh sok bau pisan jeung sok euntreup dina lampu nu hurung. Nu katilu nyaeta lancah. Lancah mah sok aya dina lalangit atawa tembokan imah sabab nyieun sarangna. Nu kaopat nyaeta reungit. Tah reungit teh sok muncul mun di imah loba betrak-betruk atawa kumuh jeung kotor. Nu kalima nyaeta kamarang. Biasana kamarang teh sok aya di unggal imah jeung nyieun sayangna. Kamarang teh resepeun pisan tempat nu lembab atawa teu kahontal ku jalma. Mantak biasana nyayang di luhur lalangit. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8212", "text": "Dina nyaeta budak awewe anu sieun pisan nyaksian kacilakaan. Hiji poe, manehna keur leumpang ka imah ti kuliah nalika manehna nempo hiji kacilakaan mobil anu lumangsung caket dieu. Sanaos anjeunna awalna bade neraskeun perjalanan ka bumi, tapi tungtungna anjeunna mutuskeun pikeun cicing di tempat eta pikeun ngabantosan. Tapi, waktu pulisi datang rek menta inpo, Dina ngarasa sieun jeung hariwang pisan. Anjeunna ngarasa yen anjeunna moal tiasa masihan akun anu akurat sareng ngan ukur ngajantenkeun kaayaan langkung parah. Anjeunna jadi hariwang jeung sieun yen anjeunna bieu bisa nyarita jelas lamun ditaroskeun ku pulisi. Tapi, aparat kapulisian anu nanganan anjeunna sabar pisan sareng ngartos kahariwangna. Aranjeunna masihan Dina waktos pikeun muhasabah sareng fokus sateuacan masihan katerangan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6986", "text": "Lantaran resep balanja kuring janten jalmi anu kalap, sagala dibeuli. Lamun nuju gaduh artos abdi pasti manteng dina aplikasi, neangan nao wae anu tiasa dibeuli, padahal kadang oge teu butuh kana barang eta, tapi resep weh milihan barang jeung ngantosan tukang paket datang ka imah jeung ngabuka paketna. Hiji waktos abdi ningal aya hiji barang anu dipikahoyong pisan, tapi basa eta teh abdi nuju teu gaduh artos, tuluy di aplikasi eta teh aya tawaran pay later, nyaeta urang tiasa meser ayeuna tapi mayarna engke deui, abdi teu mikir panjang langsung daptar, bulan hareupna abdi meunang tagihan, tapi kuring teu tiasa mayar lantaran teu gaduh artos.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7817", "text": "Pas abdi mimiti ngadatangan imah rerencangan abdi, abdi teu apal yen anjeunna gaduh gogog di imahna. Komo gogogna teu ngan hiji hungkul, tapi aya tilu. Pas abdi asup ka imahna, abdi langsung diambut ku gogogna teras anjeunna langsung ngising di hareupeun kuring. Abdi sabenerna rujit kana ompol anjing, komo manehna ngising di hareupeun kuring pisan, untung we teu muncrat ka baju kuring, tapi lantaran abdi teu ngeunah ka rerencangan abdi, abdi ngan seuri hungkul. Ceunah mah gogog na bungah patepang jeung kuring, matak manehna mere hadiah 'ompol' ka kuring. Tapi rerencangan abdi langsung menta hampura ka kuring teras si gogogna langsung dikandangan. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5567", "text": "Basa nuju jalan-jalan di kampus, abdi teu sengaja amprok jeung babaturan keur SMP. Basa SMP anjeunna teh ngalih sakolana ka Bandung. Ti harita teu pernah amprok deui. Eh ayeuna amprok di kampus. Ternyata anjeunna oge kuliah didieu, ngan beda fakultas sareng abdi. Abdi mah Fakultas Ilmu Budaya, anjeunna mah di Fakultas Peternakan. Urang duaan tuluy ngobrok di gazebo kapus. Ngobrol ngaler ngidul nostalgia ka zaman SMP baheua. Asa waas pisan duaan ngobrol dina kaayaan nu santai jeung sejuk kieu. Kabeneran kapus sepi da nuju libur semester. Anjeunna bade ka rektorat, abdi ge sami. Janten tungtungna mah bareng we indit duaan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7614", "text": "Pas leutik abdi mineng pisan sasapedahan, malah sasapedahan kaasup kagiatan olahraga anu paling dipikaresep ku kuring di antara sadaya rupi olahraga. Abdi resep sasapedahan lantaran urang tinggal diuk tapi tos tiasa olahraga jeung ngajieun awak urang janten sehat. Tapi hanjakalna baheula abdi can boga sapeda, janten lamun hayang sasapedahan kedah nambut sapeda tatanggi. Hanjakalna deui sapedah manehna teh remna geus rada ruksak, janten ulah ngebut-ngebut nganggona. Tapi teu disangka kuring ngaliwatan hiji turunan, janten sapedah teh ngebut pisan, abdi bingung kumaha cara ngereunkeunna. Tungtungna mah kapaksa abdi ngalabuhkeun diri sorangan ka jukut supados teu beuki bahaya. Untung kuring teu nanaon. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5699", "text": "Karya bagi sasaorang teh berarti pisan, sabab buah tina ide orisinalna nu dikembangkeun masing alus jeung apik. Karya nu dijieun teh dipupusti jiga anak sorangan. Komo mun karyana bentuk tulisan mah, kudu buru-buru dipatenkeun supaya orisinalitasna kajamin. Pernah babaturan urang nyieun hiji karya tulis nu jerona meunang ngutip ti karya batur barijeung teu diparafrase, jadi katingali yen lain tulisan manehna. Tapi, manehna meuni pede ngapublikasikeun karyana dina sosial media. Teu lila loba nu paham sastra ngaromen karyana, sabab memang wawuheun kana tulisanna. Geus kitu babaturan abdi langsung eraeun, buru-buru ngahapus postingan nana. Tah, mantak kudu hati-hati kana karya tulisan mah, ulah asal nyomot jeung nyokot ide batur.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9553", "text": "Sedih mangrupikeun reaksi alami nalika urang kaleungitan batur anu urang pikanyaah, khususna nalika urang kaleungitan anggota kulawarga. Ayeuna, anjeun bisa ngarasa remuk, bingung, sarta daya teu upaya. Anjeun tiasa ngaraos nyeri fisik dina dada atanapi patuangan ngarasa seueul jeung hate anu teterasan hariwang, atanapi anjeun tiasa ngalaman gangguan bobo atanapi napsu tuang anu ngirangan. Anjeun meureun ngarasa cape atawa teu gaduh motivasi, atawa anjeun bisa ngarasa hariwang atawa cemas. Sadaya reaksi ieu mangrupikeun bagian tina proses kaleungitan, sareng eta normal pikeun ngarasa kitu nalika nyanghareupan kaayaan anu sedih sapertos kaleungitan kulawarga. Nu matak kitu, urang teu kedah nolak perasaan kasedih anu aya dina hate. Narimakeun rasa sedih jadi salah sahiji cara pikeun ngahampangkeun kabeurat ku lumangsungna rasa sedih anu dialaman.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5661", "text": "Tips supaya urang teu kena macet mun rek indit digawe atawa sakola. Nu kahiji nyaeta indit na leuwih suhud tibatan batur. Mun biasana indit jam genep, urang bisa indit satengah jam samemehna supaya bisa ngahindari kamacetan di jalan. Nu kadua nyaeta make jalur alternatif. Mun biasana loba nu indit liwat jalur umum, urang kudu make siasat ngaliwatan jalan alternatif, sabab biasana salian leuwih deukeut jeung can loba nu apaleun, ngajadikeun ieu hal nu moal mantak nyorang macet dina inditna. Nu katilu nyaeta gunakeun kandaraan umum. Supaya bisa ngurangan kamacetan, biasakeun leuwih hade make kandaraan umum, jadi kakoordinir ku babarengan, teu mawa kandaraan sorangan-sorangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2481", "text": "réngsé istirahat di Rm. Sari Rasa, Kendal urang leungit hiji panumpang. Sababaraha kali dibewarakeun ngaliwatan spiker ti kamar informasi réstoran urang, masih teu muncul. Pamustunganana, urang curiga (jeung ternyata sangkaan urang bener) yen panumpang urang katinggaleun di SPBU MURI, Tegal. Kusabab urang geus ngeusian suluh dinya. Anu kami lakukeun dina waktos éta nyaéta:\n1. Pilarian nami panumpang sareng nomer telepon tina manifes beus, teras ngahubungi anu dimaksud.\n2. Nyuhunkeun dihapunten sareng nyuhunkeun panumpangna kanggo ngantosan beus salajengna anu tiasa naék.\n3. Dibantuan ku patugas pameriksa, néangan informasi ngeunaan beus anu aya di tukangeunana anu bisa dijadikeun tunggangan pikeun panumpang ieu.\n4. Ngamankeun koper penumpang tuluy nyieun laporan dina kolom catetan dokumen perjalanan ngeunaan kajadian ieu.\nSaparantos beres sadayana, simkuring neraskeun perjalanan teras ngantunkeun koper di kantor cabang Surabaya.Hanjakal waktu éta urang ngan sadar aya panumpang ditinggalkeun balik sanggeus leuwih ti dua jam. Hasilna, teu aya beus anu nuju ka Madura anu tiasa naék. Sarerea geus kaliwat SPBU. Anu nyésa waé nyaéta sababaraha beus ti Sumatra ka Malang sareng Banyuwangi. Sanaos kitu, masih aya waktos kirang langkung opat/lima jam dugi ka Tegal.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2228", "text": "Taun kamari abdi janten panitia dina bakti sosial kampus abdi, waktos harita simkuring aya di kampung anu rada pedalaman 3 dinten, didinya abdi tepang sareng sababaraha sepuh anu ngan hirup nyalira, teu sadayana tanpa kulawarga, aya anu tinggaleun. jeung budak\" jeung incuna ka kota ngan 1 atawa 2 taun sakali, aya nu boga budak tapi geus mangtaun-taun teu paamprok jonghok” sabab cicing di kota jeung loba deui carita ti maranehna. Karasa sedih Nalika kuring ningali aranjeunna sapertos kitu, kuring nepungan salah saurang nini anu leres-leres henteu ngagaduhan kulawarga, sababaraha bulan sateuacan urang angkat ka dinya anjeunna henteu ngagaduhan bumi, unggal dinten anjeunna kedah bobo di kebon batur anu aya. leutik \"pondok\" istirahat sanggeus digawé di kebon, sarta lamun hujan nini hitched naek di imah tatangga anu rék numpak jeung nini na di imahna. Mangtaun-taun”, nepi ka hiji mangsa warga mantuan nini nyieun imah, ku cara gawe babarengan, nepi ka ayeuna nini geus boga imah, sok sanajan si nini gering teu aya nu nyaho sabab si nini keur nyorangan di imah. nya lamun nini teu kaluar ti imah sagemblengna nepi ka 2 poé", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7832", "text": "Barudak di kosan mah biasana sok rada jorok. Abong-abong hirup sorangan, jenten teu aya nu nyeseulan lamun kamarna pabalatak atawa piring jeung gelas tilas daharna te diberersihan deui. Basa balik ti kampus, abdi ngahaja nyimpang heula ka kosan rerencangan lantaran bade nyandak barang anu tinggaleun di teun manehna. Sateuacan angkat sabenerna manehna geus nyarios yen kamarna teh pabalatak. Ai sugan teh pabalatak biasa, tapi pas abdi datang ka dinya aya loba piring kotor anu numpuk loba, jaba pas diangkat teh aya cucunguk. Aya oge gelas tilas nginuman anu geus dikurubutan ku sireum. Abdi langsung buru-buru balik saatos nyandak barang lantaran rujit ningal kosan na. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2897", "text": "Sieun kana bahaya kajahatan (fear of crime) tangtu ngurangan\ntingkat kesejahteraan psikologis sareng tiasa ngirangan inténsitas interaksi\nsosial. Dina grup sawawa, loba variabel séjén anu aub\nmangaruhan tingkat sieun kajahatan saperti umur, status sosial ékonomi jeung\netnis. sieun kajahatan ngakibatkeun kabiasaan nyingkahan\nmisalna ngawatesan gerak jalma di luar imah jeung kabiasaan ngajauhan ieu\npangaruh dina interaksi sosial jeung aktivitas fisik. Kasus kajahatan anu langsung mangaruhan individu sapertos perampokan sareng\nngajambret, dirasakeun jadi leuwih ngancam tinimbang kasus kajahatan sejenna dina skala\nkajahatan anu leuwih lega sarta jangka panjang. Salaku tambahan, anceman anu jadi kasieun awéwé pikeun narajang séksual mangrupikeun faktor anu paling penting anu mangaruhan tingkat sieun kajahatan sanés. Jadina\r\naya kapercayaan yén unggal kajahatan pribadi ngalawan awéwé boga potensi pikeun ngaronjatkeun\r\nmangrupakeun kajahatan narajang seksual.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8433", "text": "Pikeun ngungkulan rasa jijik anu disababkeun ku runtah sato, aya sababaraha hal anu bisa dilakukeun, diantarana. Coba ngajaga jarak anjeun tina sumber runtah sato sapertos piaraan, sato peternakan, sareng anu sanesna. Pastikeun pikeun ngajaga pakean sareng awak anjeun beresih supados anjeun henteu keuna ku runtah sato. Ngumbah leungeun saatos berinteraksi sareng sato atanapi lingkungan anu tiasa kacemar ku runtah sato. Anggo masker sareng seungit pikeun ngahindarkeun bau anu teu pikaresepeun. Coba ngarobah pamadegan negatip atawa pikiran ngeunaan runtah sato ku cara mikir ngeunaan hal positif lianna. Upami masalah geuleuh tetep sareng mangaruhan kualitas kahirupan, pertimbangkeun milarian pitulung profesional sapertos ahli terapi atanapi psikiater. Inget yen jijik mangrupikeun reaksi alami sareng biasana tiasa dikontrol ku ngalakukeun sababaraha hal anu didaptarkeun di luhur.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9549", "text": "Joko nyaeta pagawe di hiji pausahaan swasta. Manehna gawe unggal poe, ngalaksanakeun unggal tanggung jawab anu dibebankeun ka manehna kalayan bener. Tapi, nalika pandemik Covid-19 narajang, loba perusahaan anu kapaksa ngalaman turunna penjualan anu signifikan, kalebet perusahaan tempat Joko damel. Pimpinan perusahaan kedah nyandak kaputusan anu hese pikeun mecat sajumlah karyawan, kalebet Joko. Joko kacida reuwas jeung hanjelu basa narima beja yen manehna bakal di PHK. Joko henteu percaya manehna kudu kaleungitan padamelan saenggeus gawe salila ieu. Joko ngarasa yen pandemik ieu mangrupakeun hal anu teu adil pikeun manehna. Joko kudu nyanghareupan masalah kauangan anu cukup serius kusabab kaleungitan pagawean, tapi manehna henteu nyaho kumaha cara nungkulanana. Joko ngarasa sedih pisan jeung putus asa, teu nyaho naon deui nu kudu dipigawe ku manehna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7877", "text": "Tilu poe ieu abdi teu mandi lantaran teu kamamana. Abdi teu nyadar yen abdi geus bau pisan awakna, karek nyadar pas diwartosan ku mamah. Teu heran lantaran biasana anu dekeut dina bau mah sok teu nyadar yen manehna bau lantaran unggal poe ngambeu bau anu sarua janten teu tiasa ngabedakeun deui mana anu bau jeung mana abu teu bau. Lantaran era disebut bau ku mamah, abdi langsung mandi jeung gentos acuk. Pas abdi geus rengse mandi, abdi baru nyadar yen baju anu abdi anggo tilu poe teh bau pisan, pacampur bau acay jeung bau haseup tilas masak. Komo di bagian kelekna. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7296", "text": "Abdi atoh pisan poe ieu lantaran saumur hirup teu acan pernah dipasihan hadiah ku rerencangan. Komo dipasihan kejutan mah abdi teu pernah lantaran kanggo abdi mah ulang taun teh sanes poe anu kedah dirayakeun ku tiup lilin. Ku lantaran eta rerencangam abdi masihan abdi kue kanggo dihias nyalira. Pas gugah bobo jol aya nu masihan kue lengkep sareng krim kanggo ngahiasna. Pokonamah kue eta tiasa dihias sakumaha kahayang kuring. Pas tos dihias abdi langsung moto eta kue teras dikirimkeun ka rerencangan. Saatos abdi ngirim seeur pisan anu ngirim hadiah ka bumi. Abdi atoh nepika ceurik lantaran teu pernah meunang hadiah saloba ieu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1078", "text": "Pas keur di ruang dokter, urang ngarasa sieun. Urang apal yen urang kudu disuntik tapi sok mikir ngeunaan jarum gede nu bakal nojos kana kulit urang. Unggal urang ninggali jarum, urang ngarasa sieun jeung ngaderegdeg. Urang ngarasa beuteung urang ngawitan ngarasa mual, jeung leungeun urang kesangan. Urang nyoba jang mikir positif, nginget yen suntikan ngan bakal lumangsung sababaraha detik jeung urang bakal ngarasa leuwih ngeunaheun saenggeusna. Tapi rasa sieun eta tetep teu bisa dikendalikeun, pas dokter rek nyiapkeun jarum, urang ngarasa detak jantung beuki gancang. Akhirna pas jarum nojos kana kulit, urang ngarasakeun nyeri, oge teu ngarasa nyaman. Urang oge ngarasa susah napas jeung tuluy mikirkeun rasa kanyeri nu bakal datang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3362", "text": "Anjeun kedah nengetan etika sareng cara ngagunakeun jamban pesawat. Ieu ulasan pikeun anjeun:\r\n1. Samemeh indit ka jamban, pastikeun lampu tanda sabuk pengaman dipareuman. Upami éta henteu acan maot, sabar pikeun kasalametan sareng kaamanan anjeun nyalira.\r\n2. Nengetan tanda di hareupeun WC. Manawi masih di anggo, sabar ngantri, upami kosong tiasa langsung lebet.\r\n3. Sanggeus anjeun asup ka jamban, konci panto jamban pikeun ngahurungkeun lampu. Upami anjeun henteu terang kumaha ngonci panto WC, anjeun kedah naroskeun ka pramugari. Sabab biasana wc tempatna deukeut awak kabin.\r\n4. Gunakeun fasilitas wc kalayan leres, tutup keran upami parantos réngsé sareng nempatkeun sabun cuci tangan di tempat aslina.\r\n5. Tong hilap pencét tombol 'Flush' atanapi 'Push' saatos urinating atanapi defecating. Biasana tombol siram boga model uas, tur aya tombol.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2081", "text": "Mimitina kuring bingung naha ramo jalma gancang pisan, khususna pikeun produk anu diidam-idamkeun, ngan ukur sababaraha detik dijual. Tapi tenang ayeuna mah geus nyaho trik wkwkwk. Pikeun hunters diskon, abdi bakal ngajarkeun dieu. Janten ieu trikna:\n1. Anjeun ngaku voucher gratis pengiriman barang heula. Biasana promo gratis ongkos kirim téh dina tanggal nu tangtu, contona 8 Agustus, 9 September, 10 Oktober, jeung saterusna.\n2. Nangtukeun waktos flash sale. Salaku conto, flash sale nyaéta jam 12.00, janten sateuacan waktos éta, anjeun tiasa ningali produk naon anu bakal aya dina flash sale jam 12.00. Pilih salah sahiji produk anu anjeun pikahoyong, nempatkeun kana karanjang sareng tong hilap nyetél panginget. Panginget ieu bakal dikirim 3 menit sateuacan jual lampu kilat dimimitian.\n", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8176", "text": "Sieun ka jurig teh saleresna wajar kusabab jalmi boga kasieunna masing-masing. Rasa sieun ka jurig teh leuwih seueur dialaman ku jalma nu lingkunganna kentel ku adat atanapi carita-carita nu nyaritakeun kaayaan jurig. Nanging sieun ka jurig teh tiasa dijelaskeun ku elmu pangatahuan atanapi sains. Jurig nu katempo teh hasil maniferstasi otak kusabab babaraha perkawis. Gelombang berfrekuensi leutik tos kabukti tiasa nimbulkeun perasaan ka jalma upami dideketna aya nu datang. Parasaan eta nu mineng diartikeun minangka didatangan jurig. Nempo jurig ge tiasa disebabkeun kusabab kondisi awak keur goreng, sapertos geuring atanapi kacapean. Janten wajar wae upami sakali-kali sieun ku jurig kusabab teu sapinuhna ieu fenomena disebabkeun ku mahluk supranatural.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9254", "text": "Cara kadua anu tiasa urang laksanakeun pikeun ngaleungitkeun bau baham nyaéta ngabersihkeun sela-sela antara huntu nganggo benang dental. Sanggeus dahar, sakapeung aya sésa-sésa kadaharan anu nyésa antara huntu jeung hésé pikeun ngabersihkeunana ngan ku gosok huntu. Ieu tiasa diatasi ku benang gigi atanapi floss dental. Ngabersihkeun sela-sela antara huntu henteu ngan ukur dilakukeun nalika aya tuangeun anu nyangkut, tapi kedah dilakukeun sacara teratur saatos nyikat huntu. Metoda ieu bisa nungkulan bau baham sacara signifikan. Katilu ku nyapek permen karét. Pikeun nyegah baham anu garing anu tiasa nyababkeun bau, nyapek permén karét anu henteu ngandung gula. Soalna permén karét anu ngandung gula dipikanyaho merangsang produksi ciduh anu nyababkeun bau baham.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6374", "text": "Abdi gaduh tatangga anu jarang pisan aya di imah. Biasana aya di imah na teh ngan peuting hungkul, siang mah teuing sok ka man da teu aya nu apaleun. Mun siang teh loba pisan rentenir nu nagih ka imahna. Tapi can pernah aya nu dipanggihan barang hiji ge. Nepi ka atasan rentenir na ge ngilu nagih, da angger teu pendak jeung jalmana. Pantesan we meureun jarang aya di imah da hutang na di mana-mana teu kabayaran. Nepi ka iraha wae ge ai teu aya niat mayar hutang mah moal bakal lunas ku sorangan. Mun peuting mah nembe araya di imahna da meureun geus euweuh nu naih deui da peuting.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7790", "text": "Lantaran runtah di imah kuring tos seeur pisan, abdi dipiwarang ku mamah pikeun miceun runtah di tempat miceun runtah anu tos disadiakeun ku RT. Sabenerna ieu tempat teh teu cocok disebut tempat miceun runtah lantaran ngan tempat leutik anu aya di sisi walungan hungkul. Runtah di tempat ieu runtahna seeur pisan geus numpuk jeung teu pisahkeun antara runtah palastik jeung runtah dahareun. Pas abdi bade nyimpen runtah ka tempat eta abdi ngambeu bau anu teu ngeunah pisan, pas ditingal, epekteh di dinya aya utah anu geus didatangan ku laleur jeung aya seeur bilatung. Abdi langsung buru-buru indit lantaran ngarasa rujit. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7597", "text": "Teu lila ieu rerencangan abdi motorna dipaok ku batur, numutkeun kana carita anjeunna mah motorna teh emang geus diincer ti lila keneh. Manehna karek meser motor eta dua bulan ka tukang, asalna mah eweuh kajadian aneh, tapi saminggon ka tukang ieu manehna ngarasa curiga lantaran aya nu nuturkeun manehna unggal angkat jeung balik gawe. Manehna nyobi mikir positip, bisi we emang eta mah jalmi anu kabeneran sarua jalurna bade ka tempat anu sarua, tapi manehna oge sieun lantaran dua jalmi eta teh siga nu ngancem manehna. Asalna manehna rek ngalaporkeun ka pulisi tapi sieun bisi dituturkeun pas balik ti kantor pulisina jeung bisi dinanaonkeun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "632", "text": "Basa keur urang tepang taun, kabogoh ngajailan urang lamun manehanana teh keur gering. Jadi pas balik sakola naek kana motor urang geus niat rek ka imahna jeung mawa oleh-oleh ngameh didahar ku manehna, sarua kawas nu sejenna urang mawa buah-buahan, roti, susu, jeung sajabana. Pas urang nepi ka imahna, manehna ngulampreh dina ruang tamu bari siga nu leuleus tapi ninggali beungetna mah siga nu sehat. Tapi urang euweuh kacurigaan tidinya teh, da urang percaya pisan ka manehanana. Ku bakat niatna ngajailan yen geringna teh bobohongan, indungna oge di setting ngarah ngayakinkeun lamun kabogoh urang teh keur gering. Tapi pas urang rek balik, manehanana teh seuri tuluy indungna mawa kueh ti dapur jeung ngucapkeun wilujeng tepang taun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8238", "text": "Sieun upami nyalira teh salah sahiji perilaku manusa nu tiasa dipanggihan di masarakat. Jalma nu sok sieun upami keur sorangan teh ngarasa upami manehna lemah sawaktos sorangan. Manehna ngarasa kudu peryogi wae nu ngaranna babaturan. Sanes keur di luar imah hungkul nanging di jero imah ge jalama nu sok sieun sawaktos sorangan atanapi disebat autofobia teh mineng ngarasa hariwang tur hanjelu. Ieu teh tiasa ngaganggu aktivitas sapopoe kusabab pengidap perilaku ieu teh peryogi nu ngaranna interaksi sosial. Wajar si saleresna upami jalma peryogi interaksi sosial kusabab manusa teh mahluk sosial saleresna mah, nanging upami rasa hariwang tur hanjeluna teu ka kontrol ieu teh kaasup penyimpangan perilaku. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1066", "text": "Urang diuk di ruangan tunggu rumah sakit, nungguan jang asup ka ruang operasi. Urang kudu ngajalankeun operasi nu cukup gede, urang ngarasa sieun jeung hariwang ngeunaan naon nu bakal kajadian salila operasi. Urang ngahuleng ngabayangkeun proses operasi nu bakal dilakonan. Ngabayangkeun kumaha urang bakal dirawat ku tim medis jeung kumaha perasaan urang pas ngamimitian prosedur operasi. Urang ngarasa sieun jeung hariwang ngeunaan kumaha pas hudang engke, naha urang bakal ngarasa nyeri atawa henteu. Saenggeus sababaraha waktu nungguan, akhirna urang digeroan asup ka ruang operasi. Urang nyoba jang ngendalikeun rasa kasieun jeung nyiapkeun diri jang prosedur nu bakal datang. Sanajan masih ngarasa sieun, urang mutuskeun jang wani oge nyerahkeun diri ka tim medis nu menangani operasi eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4422", "text": "Babari ambek ambekan jeung sensitip mangrupikeun tanda depresi anu jarang dipikanyaho ku loba jalma. Kirang ti 1 persen jalma anu depresi pasti ngalaman serangan amarah, ngeunaan 10 persen jadi gampang ambek salila lila na naha nu 40 persen na nembongkeun biasana kajadian ambek ambekan ieu nepi ka meledak .Depresi tiasa jadi alesan kunaon jalma sering ambek tanpa alesan. Kadang, penderita malah bisa ngabales hiji hal ku ucapan atawa kabiasaan kasar. Depresi ogé tiasa nyababkeun hiji jalma ngalakukeun hal-hal anu picilakaeun, contona nyetir gagabah dina laju anu luhur. Kaayaan ieu teu matak underestimated sarta merlukeun perlakuan serius. Ditinggalkeun unchecked, depresi bisa ngamekarkeun kana masalah kaséhatan méntal leuwih parah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1000", "text": "Di sakola SD mindeng diayakeun lomba pidato, biasana lomba ieu diayakeunna pas deukeut-deukeut ka maulid Nabi. Ku kituna urang menta ka bapa kanggo nyieunkeun teks pidatona ngameh ku urang apalkeun. Aya kana 2 mingguan urang ngapalkeun jeung pede. Tapi mun inget kana panggung urang sok sieun, sieunna teh sieun poho atawa sieun ngerakeun pas keur di luhur panggung teh. Pas poe acara oge urang degdegan geumpeur komo pas dipanggil ngaran. Urang dipanggil ku protokol \"Ridho Abdillah\" mangga naek ka panggung kanggo pidato. Deg teh kana hate degdegan, materi nu geus diapalkeun 2 minggu kamari ge ngadak-ngadak rada poho. Sieun diseungseurikeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1344", "text": "Konsumsi alkohol bisa nyebabkeun jelema utah, komo deui mun ngonsumsina kaleuleuwihi. Lantaran alkohol bisa ningkatkeun produksi asam lambung jeung nunda pengosongan lambung. Kondisi ieu nu ngakibatkeun lapisan beuteung ngalaman iritasi. Balukarna jelema nu ngonsumsi alkohol bakal ngalaman gejala mabok, siga nyeri beuteung, mual, jeung utah. Siga nu kaalaman ku babaturan saenggeus nginum alkohol anu loba pisan, alhasil naon nu diinum ku manehna teh kaluar deui ngaliwatan biwir. Manehna utah kana kasur, nepikeun ka ngalayah kana sepre-seprena. Urang nu ninggali ngarasa geuleuh, salian ti bau na anu teu ngeunah, bentukna oge teu mangrupa, sanajan lolobana nu kaluarna bentuk cairan, tapi tetep geuleuh ninggalina.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7346", "text": "Aya salah sahiji lalaki anu aambekan ka patugas di puskesmas lantaran patugas eta kalahkah nyentak mamahna pas bade nyungkeun kwitansi. Anjeunna oge teu nyangka naha si patugas eta wani nyentak mamahna, padahal anakna sorangan teu pernah wani nyentak kolot. Awal caritana nyaeta pas anjeunna tos kacilakaan di jalan raya, anjeunna teras diubaran di puskesmas anu paling dekeut ti tempat kajadian kacilakaan. Pas anjeunna bade balik ka imah, anjeunna poho nyandak kwitansi. Mamahna balik deui ka puskesmas kanggo nyandak kwitansi, tapi ningal mamahna disentak manehna langsung ngarekam si patugas eta sabari balik nyentak patugasna. Padahal mamahna menta kwitansina teu bari aambekan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8194", "text": "Supriyadi tos saminggu terahir ngarasakeun nyeuri huntu. Huntuna sapopoe teh sok nyut-nyutan arek keur dahar atanapi heunteu. Saking nyut-nyutanna nika nyebabkeun lieur kana sirah. Kusabab tos teu kiat nahan nyeuri manehna inisiatif indit ka dokter pikeun meriksakeun huntuna. Tetela huntuna teh infeksi kusabab toss liangan tur kudu diangkat. Ngadangu upami huntuna kudu dioperasi Supriyadi rewas tur sieun. Sieunna mimiti kusabab biayana tangtos pasti teu mirah, pastia biaya operasi teh awis. Kadua Supriyadi sieun dioperasi kusabab sieun ngarasa nyeuri. Nanging kusabab tos parah Supriyadi tiasa daek operasi. Tetela kasieunna teh teu janten kanyataan. Operasina janten gratis kusabab Supriyadi dioperasi sawaktos ulang taun rumah sakit tur dioperasi teh teu nyeuri kusabab dibius janten teu ngarasa nanaon.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6814", "text": "Taun 2019 abdi tiasa lebet ka Perguruan Tinggi Negeri. Alhamdulilah saatos ngantosan sataun ahirna abdi tiasa kuliah. Abdi oge tiasa meunang kesempetan kanggo beasiswa ti pamarentah, janten pun bapa teu kedah mayar samesteran kuliah. Abdi atoh pisan lantaran asalna lamun teu katarima kuliah, abdi dititah gawe janten guru. Abdi sanes teu hoyong janten guru, tapi abdi oge hoyong ngudag cita-cita abdi, hoyong gaduh rerencangan anu sarua gaduh cita-cita anu jangkung. Abdi oge hoyong nyobian sagala hal anu tiasa dirasakeun ku mahasiswa. Pas janten guru di yuswa anu ngora abdi ngarasa waktos abdi kanggo diri sorangan kirang. Janten abdi teh jadi jalmi anu kitu-kitu wae.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6937", "text": "Aya hiji rerencangan abdi anu gaduh sora nu alus pisan. Lamun di sakola aya lomba nyanyi, manehna pasti meunang juara hiji. Lamun di kelas nuju nyanyanyian oge pasti manehna nyanyi pang tarikna. lamun urang nuju karaoke, pasti manehna nu nyepeng mik. Abdi oge pernah nyanyi sareng manehna tuluy direkam jeung dikirim ka YouTube. Abdi nyarankeun manehna kanggo miluan audisi Indonesian Idol, nepikeun ngaterkeun manehna ka tempat audisi. Hanjakal pas di poe audisi sora manehna rada serak lantaran seeur teuing latihan. Pas audisi manehna janten kirang percaya diri lantaran sorana jadi kirang maksimal, padahal tos diusahakeun nginum kecap campur lemon. Manehna teu lolos lantaran teu kiat nyanyi. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9530", "text": "Tangtosna anjeun hoyong lulus ujian kalayan skor anu nyugemakeun, sanes? Upami anjeun sesah diajar atanapi peryogi bantosan tambahan pikeun ningkatkeun prestasi akademik anjeun, maka bimbingan akademik ti Basi Siswa mangrupikeun pilihan anu pas. Kami nyayogikeun program bimbingan pribadi anu tiasa disaluyukeun sareng kabutuhan sareng kamampuan anjeun. Ku nyandak palajaran akademik ti Basi Siswa, anjeun bakal nampi bimbingan ti tutor anu berpengalaman anu bakal ngabantosan anjeun langkung gampang ngartos materi pelajaran sareng nyiapkeun diri pikeun ujian. Naon anu anjeun antos? Geura daftarkeun diri anjeun ayeuna di Basi Siswa, tempat anu efektif jeung dipercaya pikeun pangajaran akademik. Sangkan lulus ujian jeung ngarasakeun kabingah anu luar biasa!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8950", "text": "Kumaha cara nungkulan trauma sanggeus dibulli? Cara nungkulan trauma sanggeus bulli, kahiji, tetep kuat tur percanten yen urang teh jalma hébat. Ku cara éta urang bakal bangkit tina kajatuhan urang, sareng lalaunan mimiti tiasa mopohokeun kajadian bullying anu parantos urang alami. Kadua, tetep usaha pikeun jadi hadé. Sabab teu hade leyur dina kasedih jeung kasieun mah. Masa nu ngabully bisa hirup ngenah, urang oge kudu hirup leuwih hade ti baheula. Katilu, ngalakukeun sagala kagiatan positif, sangkan urang jadi sibuk jeung poho kana kajadian nu geus kaliwat. Kaopat, pilih babaturan anu ngadukung urang pikeun bangkit deui. Ku aya di lingkungan anu alus, urang ogé bakal jadi jalma anu alus oge. Upami sadayana cara ogé henteu jalan, langkung saé konsultasi ka psikiater atanapi psikolog upami anjeun ngarasa depresi pisan ngeunaan parasaan anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6907", "text": "Numutkeun kana waktos normal ngalahirkeun kedahna sasih ieu abdi ngalahirkeun. Abdi tos nyiapkeun sagala anu diperiyogikeun salila ngalahirkeun. Abdi tos mawa acuk beresih, acuk bobo, acuk bobo jeung acuk kanggo orok engke. Abdi ngarasa sieun sakalihus teu sabar hoyong geura patepang jeung si dede anu tos kurang leuwih hampir salapan bulan sasarengan dina patuangan. Abdi tos mineng diparios ku dokter sareng tos tataros ka jalmi anu kantos ngalahirkeun. Sadayana masihan inpormasi anu nyieun abdi sieun ngalahirkeun, tapi abdi oge hoyong geura mangku budak sorangan. Pas ngalahirkeun abdi ngarasa nyeri pisan tapi sadayana kabayar pas ngadangu sora ceurik orok, komo pas apal manehna sehat jeung normal. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1374", "text": "Aya serangga di imah mangrupakeun pangalaman nu teu ngabungahkeun, urang oge ngarasa geuleuh kana serangga. Tapi tetep ngaberesihkeun serangga ti imah mah mangrupakeun hal penting jang ngajaga kasehatan jeung kanyamanan urang, komo deui mun serangga eta bisa nimbulkeun resiko kana kasehatan. Sanajan ngarasa geuleuh jadi hambatan jang ngaberesihkeunna, tapi urang bisa ngaberesihkeunna ku cara ngagunakeun alat siga vacuum cleaner, alat ieu bisa digunakeun dina tehel atawa mun di luhur mah bisa ngagunakeun ku sapu. Jadi sanajan geuleuh oge kudu inget mun ngaberesihkeun serangga di imah teh mangrupakeun tindakan anu penting, tapi urang oge kudu tetep hati-hati jeung gunakeun perlindungan siga sarung leungeun atawa masker jang mantuan mun urang ngarasa geuleuh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3344", "text": "Milarian jeans anu pas sareng awak anjeun sareng ngadukung penampilan anjeun henteu gampang. Hiji survey ngabuktikeun néangan jeans anu bener pas bisa nyieun hiji awéwé stres . Survey ieu dilakukeun ku pangecér online ism.com sareng dihadiran ku 1,000 awéwé. Tina survey éta kaungkap, 43% réspondén ngarasa yén mésér denim ngajantenkeun aranjeunna langkung stres tibatan pindah bumi. Réspondén ogé nyarios yén jeans ceking ngajantenkeun aranjeunna gendut sareng henteu pikaresepeun. Langkung ti 50% réspondén nyarios yén burih anu buncit sareng belahan mangrupikeun masalah utama nalika ngagem hipster sareng jeans ceking. Sedengkeun 2/3 responden yuswa 50 sarta leuwih ceuk meuli calana denim éta hal paling stres ti sakabéh agenda balanja.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5169", "text": "Pangalaman paling ngabungahkeun dina hirup abdi salah sahijina nyaeta ningali mamah tiasa umroh. Umroh teh salah sahiji perkara nu dianjurkeun pisan dina Islam. Jang jalmi nupanghasilanna saderhana jiga kulawarga abdi, hoyong umroh teh kedah nabung heula mangtaun-taun. Tah mamah ge nabung leuwih ti lima taun, alhamdulillah kasampean tiasa indit umroh taun ieu. Abdi atoh misan ningali mamah terharu sabab bisa nyumponan ibadah nu dianjurkeun dina ajaran. Abdi nganter mamah dugi ka tempat agenna. Seneng pisan ningali senyum nu kaukir dina raray pun mamah. Gusti, mugia dipaparin kasehatan didituna. Daripada diangge jalan-jalan ka luar nagari mah tabungan teh mending diangge kangge umroh, nunaikeun ibadah. Bakal jadi seueur mangpaatna jeung urang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2123", "text": "Kawinan Pangeran William jeung Kate Middleton, nu dilaksanakeun di Westminster Abbey sarta dituturkeun ku parade ngaliwatan jalan London maké gerbong kuda, katelah The Wedding of the Century. Kawinan putra cikal Pangeran Charles ngarugikeun US $ 34 juta atawa Rp.455 milyar, kalawan loba investasi dialokasikeun pikeun kaamanan. Malah biaya hiasan kembang ngahontal US $ 800 rébu. kawinan ieu narima perhatian sakuliah dunya sarta disiarkeun dina saluran TV utama. Pangeran William jeung Kate Middleton diayakeun di Westminster Abbey dina 29 April 2011. Nalika poé kawinan maranéhanana lumangsung, dina tanggal éta poé kawinan maranéhanana dijieun libur nasional. Ieu ogé lumaku pikeun Bermuda, Turki, Caicos jeung Kapuloan Falkland. Nya, Pernah heuteu mimpi yen pernikahan anjuen dijadikeun hari libur internasional, kantos kantos pangeran william mah tiasa hehehe, sumangat sobat nu bade nikah,", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6358", "text": "Mun aya babaturan di kelas nu ceurik keur tampil sabab ngarasa era atawa teu pede, ulah diseungseurikeun, bere semangat jeung dukungan. Ulah nepi ka maehkeun kapercayaan dirina atawa maehkeun usahana dina ngabangun semangat. Anggursih mah kuduna didukung leuwih hebat jeung leuwih semangat supaya manehna optimis jeung bisa ngalewati tantangan supaya wani tampil di hareup. Lamun deuih aya nu murung di kelas teh ulah dibully, kudu na mah dirapek masing deukeut supaya bisa jadi babaturan. Kanu karitu teh kudu leuwih perhatian, ulah kalah ngabully teu paruguh. Yuk leuwih bijak deui dina nyikapi sagala rupa babaturan nu ngarasa kasulitan! Ulah ngarasa adigung!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2484", "text": ", Garuda Indonésia henteu nyadiakeun fasilitas ngabalikeun duit tikét pikeun panumpang anu katinggaleun hiberna alatan datangna telat. Inpormasi ieu didaptarkeun dina situs wéb resmi Garuda Indonesia. Garuda Indonésia nyatakeun yén panumpang anu telat check-in sareng naek kapal henteu nampi pengembalian dana. B \"Lamun gagal mariksa dina waktuna atawa naek pesawat nalika pesawat badarat, maka biaya anu dibayar moal dipulangkeun ku alesan naon waé,\" tulis informasi ti situs resmi Garuda Indonesia. \"Kami ogé tiasa ngabatalkeun réservasi korsi anjeun upami anjeun gagal dugi ka gerbang kost tepat waktu. Anjeun ogé tiasa ngaksés fasilitas check-in kami kalayan syarat sareng kaayaan anu berlaku,\" tambah Garuda Indonesia.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8469", "text": "Di dieu aya sababaraha cara nu bisa mantuan nungkulan geuleuh jeung dahareun buruk. Lamun ngarasa geuleuh mun anjeun ningali atawa bau dahareun buruk, coba ulah eta. Upami aya rasa geuleuh, cobian museurkeun pikiran anjeun kana hal-hal anu positif sapertos musik, bacaan, atanapi kagiatan anu pikaresepeun. Tehnik relaxasi sapertos meditasi, yoga atanapi latihan engapan tiasa ngabantosan ngaleungitkeun parasaan geuleuh sareng setres. Pastikeun pikeun mastikeun kabersihan anu sae nalika masak sareng nyimpen tuangeun. Upami rasa geuleuh ngaganggu kagiatan sapopoe atanapi mangaruhan kualitas kahirupan, konsultasi ka dokter pikeun bantosan salajengna. Ku nuturkeun tip ieu, anjeun tiasa ngabantosan anjeun ngaleungitkeun rasa geuleuh ku tuangeun anu rusak sareng ngajaga kasehatan anu sae.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2923", "text": "Operasi munggaran di dunya diduga geus dilaksanakeun ti jaman baheula, atawa 4.500 SM. Ieu dipikawanoh tina tangkorak kapanggih ti jaman ieu. Para ahli ngira-ngira geus aya dua rupa prak-prakan bedah dina mangsa ieu, nyaéta bedah tangkorak jeung tambalan gigi. Kapanggih tangkorak kalawan liang dina sirah. Operasi ieu ogé katelah trepanation. Dina mangsa éta, operasi dilaksanakeun tanpa anesthesia. Salaku ukuran pencegahan inféksi, aranjeunna ukur nganggo turpentine sareng cuka. Alesan jalma di jaman éta nempatkeun liang dina sirahna teu dipikanyaho. Disangka, liang dina sirah dipercaya pikeun ngusir roh jahat anu aya dina awak. Prosedur ieu sumebar ka Maya di Amérika Kidul. The Mayans dipaké téhnik ieu pikeun ngubaran migrain.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4405", "text": "Saha anu teu ambek lamun di teugeul? Di teugeul sacara sangaja jelas mancing emosi jeung ngajieun ambek teu tarima.Sakumaha oge salah na kakerasan atawa maen leungeun teungeul jeung sagalana teu bisa di benerkeun. Urang teu berhak di kasaran boh sacara fisik jeung mental, jelema kasar kawas kitu biasa na kabiasaan. Matak urang ulah eleh kudu bisa ngomomg kunaon men tengeul wae, lamun aya salah teu meunang maen make lengeun, kusabab sagala oge bisa di obrolkeun sacara baik baik. Sasaha oge eweuh anu ngajarkeun titah ngalakukeun kakerasan make leungen, urang boga keneh pkiran jeung biwir keur di omongkeun heula naon masalahna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7496", "text": "Abdi sareng rerencangan nuju ngarempel di hiji taman anu aya di Bandung, teras salah sahiji rerencangan abdi aya nu masihan apal yen di daerah caket urang ngempel aya begal. Pantesan we jalan teh ngadadak sepi lantaran jalmi arasup ka imah, sieun dibegal. Abdi nu asalna bade uih sapuluh menitan deui mutuskeun teu jadi lantaran sieun bisi papanggih begal di tengah jalan. Tos aya hiji korban anu di begal, abdi langsung sieun pisan, hoyong uih tapi kondisina teu acan aman. Urang sadayana langsung ngamankeun diri di masjid paling dekeut anu aya di dinya saatos papanggih jeung rombongan patroli polisi anu nyarankeun urang bubar lantaran eta begal nuju kuluyuran jeung teu acan ditewak ku polisi. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "212", "text": "Semester akhir samemeh sidang, biasana diayakeun prasidang. Prasidang ieu teh simulasi sidang, jadi bakal presentasi bari diuji ku pembimbing dosen skripsi. Syarat miluan prasidang teh geus boga kerangka bab 1, jadi pas engke presentasi teu bingung. Urang oge kitu, nulis heula bab 1 sanajan masih tina bentuk kasar. Pas poean prasidang, kabeh mahasiswa diwajibkeun make almamater. Urang make almamater biru, bajuna kemeja warna bodas, calana bahan warna hideung. Kabeh mahasiswa dikumpulkeun di hiji rohangan, hiji-hiji mahasiswa dipanggil, tapi dipanggilna teh per 5 orang, jadi nu presentasi dihareup teh aya 5 orang giliran. Sedengkeun nu sejen nungguan di gigir katuhu. Pas giliran urang, alhamdulillah lancar bisa ngajawab kabeh patarosan ti dosen-dosen pembimbing. Harita oge pas cengkat dina bangku, urang pada ditangkeup ku babaturan ngucapkeun wilujeng.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5593", "text": "Sakapeung sok aya nu reuwas ku kahamilan nana sorangan. Misalna nikah nembe tilu bulan tapi usia kandungan tos hampir opat bulan. Tah hal nu kieu teh teu kudu jadi khawatir sabab memang wajar. Jadi, nangtukeun usia kahamilan teh tina poe terakhir siklus haid. Jadi wajar mun aya selisih bulan jiga kitu, berarti poe terakhir haid na samemeh nikah. Loba nu jadi suudzon ku kaayaan kitu, padahal ieu hal wajar nu memang logis ayana. Mantakna, sebagai awewe teh penting pisan jang nyaho siklus haid, supaya bisa ngaprediksi nu terjadi dina awak, salah sahijina kahamilan jeung usia kandungan. Mantak, yuk urang kenali deui siklus haid urang!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7291", "text": "Salah sahiji dulur abdi teu acan gaduh murangkalih nepikeun ayeuna lantaran manehna gaduh panyawat anu ngahalangan manehna supados tiasa gaduh murangkalih. Manehna teu resep kana operasi jeung obat-obatan, janten manehna leuwih milih hirup sehat, ngajagi tuangeun, istirahat anu cekap, olahraga sareng ngalakukeun terapi supados tiasa ngaberesihan rahimna supados sehat kanggo calon orok. Tos seeur jalmi anu ngaragukeun manehna tiasa hamil lantaran salakina oge mandul. Tapi manehna teu pernah ereun ngadu'a ka Gusti Alloh sabari teras ngalakukeun upaya sangkan tiasa hamil. Manehna yakin ka Alloh lamun manehna ngadua sabari ikhtiar bakal dicumponan ku Alloh. Poe ieu manehna masihan kabar yen manehna hamil, abdi teu ereun ngucap syukur sabari ceurik lantaran bagja. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4399", "text": "Salingkuh teh teu ngenal gender atawa jinis kelamina. Rek awewe rek lalaki sarua wae. Salingkuh teh biasana panyakit, lamun geus salingkuh sakali pasti bakal kitu deui, matakna hese keur urang ngahampurna na. Salingkuh pasti mimiti da kusabab eweuh rasa bersyukur jadi neangan jelema sejen. Rek sakumaha geulis kasep na eta jelema rek sakumaha pisan bageurna ari pasangan na beuki salingkuh nya angger wae pasti bakal salingkuh. Urang boga babaturan maneh na teh ayeuna di gawe di taiwan jadi TKW, maneh na geus kawin jeung boga budak. Babaturan urang teh meni geulis, bageur jeung rajin usahana matakna manehna di gawe nepi kan taiwan. Sedangkeun lalakina didieu kalah kedul ulin jeung awewe sejena, babaturan urang pasti lah ambek nyarekan, tungtungna maneh na teu kuat akhirna milih pisah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4414", "text": "Urang salaku manusa anu lahir di indonesia boga hak jeung kawajiban na masing masing. Hakn na urang berhak keur ngarasa hirup aman tentram jeung nyaman ti sagala bahaya kekerasan ka asup di gebugan. Kolot anu kudu na jadi tempat paling aman keur budak na ayeuna teu bisa di andelkeun, sabab ayeuna kalah ka loba kasus kakerasan ka budak teh nu ngalakukeun kolot na sorangan. Loba rupa rupa alesan kolot na ngalakukeun eta tapi nya anu pasti eta teu bisa di benerkeun. Sakumaha budak nyieun kasalahan pasti bisa heula omongkeun lain maen teugeul siga preman. Lamun kitu wajar budak na ngambek jeung teu tarima yen kolot na lain kalahka jadi tempat aman tapi kalah jadi ancaman.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2847", "text": "Hiji hal penting pikeun nginget lamun urang rék ngamempertahankan diri: hirup anjeun leuwih ti naon dina dompét anjeun. Upami aya anu ngarampog anjeun, aranjeunna hoyong barang anjeun, sanés kahirupan anjeun, ku kituna nyerahkeun dompét anjeun sering cukup pikeun ngintunkeun anu jahat.\nLamun anjeun masihan begal naon maranéhna ménta, ulah nyerah ka aranjeunna. Buangna, langkung saé jauh ti anjeun duaan, anu tiasa masihan anjeun kasempetan pikeun kabur. Ayeuna, upami kaayaan anu béda upami anjeun gaduh bedil anu diacungkeun ka anjeun sareng anu jahat moal angkat, anjeun gaduh skenario anu béda dina panangan anjeun.\nKahiji, tetep tenang. Tarik napas jero. Tong téga kaburu-buru. kudu tenang, nu hadé kaputusan anjeun bakal. Coba pikirkeun hal-hal sareng perhatikeun sakuliling anjeun. Nengetan palaku. Aya nanaon bisa Anjeun pake pikeun ngaidentipikasi aranjeunna? Tato. Tanda lahir?\nDina catetan anu sami, jaga kontak panon. Ieu ngingetkeun aranjeunna yén anjeun manusa sareng ngabantosan aranjeunna tetep tenang. Panyekel gun saraf leuwih gampang squeeze pemicu ti leuwih tenang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4364", "text": "Budak leutik reseup pisan ulang tahun, komo lamun di umur umuran TK keneh. Manehna ngarasa yen di ulang tahun na maneh na bisa jadi raja atawa ratu anu boga acara, make maju alus, dahareun ngeunah, make baju alus, niup kueh ulang tahun sarta loba di bere kado ku babaturan na. Barudak sagede kitu biasana lamun di bere surprise atawa kejutan ku kolotna geus ngarti, reuwas tapi asa geus apal lamun rek di suprisean komo lamun geus jadi kabiasaan budak pastina ngarasa bungah pisan, kusabab geus lila di dago dago. Ngarayakeun ulang tahun keur budak leutik mah ngasa jadi boga kareueus an. Kabeh babaturan na datang ka imah bari mawa kado, tuluy ulin jeung ngadahar kueh babarengan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "735", "text": "Mun ninggali babaturan anu diteunggeul teh urang ulah hare-hare, komo eta kajadian dihareupeun urang. Teu kudu babaturan wae, nu teu kenal oge alusna mah ku urang bantuan jeung halangan sabari nanya masalahna naon. Soalna nu enggeus-enggeus ge kitu, aya jelema nu teu wani mun ngalawan, tah tugas urang nu wani kudu ngabela. Siga babaturan urang pas balik sakola aya nu neunggeulan teuing pedah naon mimitina mah, urang keur naek motor teh eureun heula bari masang badan. Tah mun urang diteunggeul oge, urang jadi aya alesan jang nenggeulan manehanana oge. Sanajan diriung oge kudu gede ka wani, ulah kumeok samemeh dipacok.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7264", "text": "Sanajan tos kuliah, abdi masih keneh resep ulin ka sakola, lantaran aya klinik di caket sakola. Hiji poe abdi nuju mapah ti klinik ka bumi, pas di tengah jalan abdi ningal aya nu mapah oge tapi di arah nu sabalikna, ningal ti jauh teh asa wawuh, tapi teu apal eta saha. Beuki lila eta jalmi beuki ngadekeutan, manehna langsung ngadadahan, manehna muka maskerna, abdi langsung apal. Manehna rerencangan SMA baheula. Kabeneran imahna caket ti sakola, manehna nuju balik ti kampus. Abdi langsung sasalaman teras naros kumaha kondisi manehna. Sanajan urang teu pati deukeut, ningal manehna abdi jadi emut deui pas jaman SMA.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4450", "text": "Lamun keur pere sakola urang teh sok neangan duit keur nambah nambahan duit pikeun jajan jeung meuli kabutuhan sakola sejen sangkan henteu menta ka kolot wae. Urang biasana sok milu pagawean anu bebas di waktu libur sakola salah sahiji na urang sok milu gawe jadi SPG dahareun biasa na dahareun na mangrupa chiki atawa susu anu dina kotak tea, ieu biasana urang jual di tempat tempat anu rame misalkeun di car free day lamun di poe minggu isuk isuk. Basa poe harita urang erek mangkat gawe siga biasana saenggeus 2 poe urang teu gawe kusabab gering, ari pas tepi di tempat na urang teh reuwas kusabab urang geus aya geus di ganti ujug ujung ku jelema sejen. Urang teh ambek jeung kuciwa pisan kumaha bisa pagawean urang di cokot ku batur tangpa aya anu ngabejaan ka urang heula samemehna. Urang nanyakeun ka bos kunaon kawas kieu, tapi ceunah ieu kusabab urang teu asup sababaraha poe, padahal urang teu asup kusabab gering jeung enggeus izin.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5589", "text": "Kolot baheula mah boga kayakinan yen mun aya nu hamil terus aya gerhana, kudu nyumput dina kolong meja, ulah nepi ka kaluar. Mun teu dilaksanakeun teh mamala ka budakna, ke kulit rarayna bakal hideung sabeulah sabab ngagambarkeun gerhana. Mun nyumput na kolong meja mah dipercaya bisa nangkal mamala gerhana, jadi moal kasorang ku cahaya gerhanana. Loba nu kabuktian ku kajadian ieu. Sabener na mah teu nanaon nan asal laksanakeun sholat gerhana, ulah nepi ka kuluyuran teu paruguh saban gerhana teh. Kapercayaan kolot teh didasarkeun ku pangalaman, jeung geus loba nu kabuktian, jadi euweuh salahna ku urang ge dihargaan jeung dihormati kapercayaan nana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6861", "text": "Rerencangan kuring sok poho wae nunda barang lantaran manehna sok teu apik, sagala disimpen di mana wae jiga nu teu butuh. Basa urang duaan nuju jalan-jalan ka hiji tempat, manehna poho nyimpen konci motor. Urang duaan langsung milarian di mana wae eta bisa kapanggih, dina tas teu aya, di saku teu aya, di kamar cai oge tau aya. Urang tos bingung lantaran ieu teh tempatna rada jauh ti bumi urang masing-masing, lamun eta konci motor teu kapanggih, urang moal tiasa balik ka imah. Akhirna urang nanyakeun ka satpam, epekteh koncina ngagantung keneh dina motor. Urang langsung lega lantaran tiasa balik deui ka imah. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8195", "text": "Urang sakuduna teu kudu sieun upami dioperasi. Sieun dioperasi teh perkawis nu biasa dirasakeun ku jalmi nanging teu kudu leuleuwihan. Prosedu-prosedur operasi teh tos diteliti tur diuji kaefektifan tur kaamananna janten teu kudu hariwang upami tindakan operasi tiasa ngarusak awak atanapi nyilakakeun urang. Dokter atanapi tanaga medis nu ngalakukeun operasina ge tos pasti tiasa dipercanten kusabab teu sembarangan jalmi tiasa ngalakukeun operasi ieu. Ngan jalmi-jalmi terlatih sareng bersertifikat wae nu tiasa ngalakukeun operasi komo upami operasina dilakukeun di rumah sakit nu tos kakoncara. Teu kudu sieun nyeri upami arek dioperasi kusabab urang tiasa tur bakal dibere obat penenang atanapi bius janten teu tiasa ngarasakeun nanaon salila operasi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8214", "text": "Seueur jalma nu sieun janten saksi dina kacilakaan. Ieu teh kahartos kusabab janten saksi teh tiasa nyieun trauma upami urang ngabayangkeun janten korban. Nanging urang teu kudu janten ngarasa trauma ngalaman janten saksi kacilakaan. Ngasaksian kacilakaan teh tiasa nyebabkeun seueur stres, arek fisik atanapi emosi. Ieu tiasa nyieun urang kasieunan, waas, tur bingung. Teras nyaksian kacilkaan teh tiasa nyebabkeun ingetan tur mimpi nu goreng. Ingetan ieu tiasa kainget saumur-umur hirup urang. Upami urang saleresna teu kiat janten saksi hiji kacilakaan, urang tiasa mundur wae tur teu kudu ngarasa ngabogaan tanggung jawab. Jalma ge tangtos ngartos kunaon urang embung janten saksi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5646", "text": "Basa nuju alit abdi ngarasa jengkel pisan ka bapak sabab geus neunggeul sampean abdi. Tapi emang karena kasalahan abdi nu kamalinaan. Jadi, abdi uih sakola teh gegelutan jeung babaturan nepi ka getihan tina irung. Abdi jeung babaturan teh gelutna di sisi jalan rek balik. Pas nepi ka imah, aya bapak pisan di hareupeun panto keur ngopi. Bapak tuluy nyarekan abdi beak karep. Abdi diseret ka kamar cai tuluy diguyur make cai. Geus kitu sampean abdi diteunggeulan make sapu nyere. Bapak abdi nyarekan dugi ka abdi ceurik gogoakan. Abdi harita kacida nyeuri hatena pisan ku kalakuan bapak abdi. Tapi da eta teh bentuk nyaahna ka nu ngaran anak.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1084", "text": "Dihareupeun imah mindeng kajadian kacalakaan, utamana motor jeung motor. Nepikeun ka harita mah pas urang keur mejeng di teras imah, jelas pisan eta mah tabrakanana teh nepikeun ka dibawa ka rumah sakit. Polisi oge harita langsung turun ka TKP jang ninggali kumaha kajadianana. Tuluy ditanyaan warga-warga didinya kumaha kajadianana. Urang ge sabenerna apal kajadianana teh, tapi teu nyebutkeun urang ninggali. Bebejana geus sare. Pas ngajawab kitu mah polisi teh teu nanyaan deui. Lain embung ngabantuan polisi, tapi jadi saksi teh asa beurat, kudu ngaluangkeun waktu jeung tanaga. Tuluy katempuhan di mana kajadianna teu saluyu jeung nu benerna. Sieun kalakah jadi di penjara.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "760", "text": "Tiap jelema pasti boga kaleuwihan sewang-sewangan pan? Teu bisa kabeh jelema disaruakeun. Anu mirisna ieu kajadian di lingkungan sakola, tempat urang ngajar jeung meunangkeun elmu. Mindeng pisan ngalaman diperlakukeun teu adil, contona wae nu pinter sok leuwih diperhatikeun, tuluy didengekeun omonganna. Beda jeung anu bodo, diperhatikeun oge tara, komo deui didenge. Tuluy di kelas biasana guru ngaleuwih-leuwihkeun budak nu pinter dina mata pelajaran matematika, tapi kan matematika lain tolok ukur si jelema teh pinter henteuna, teu nangtukeun nu pinter matematika bisa sukses, bisa wae nu jago kana seni malah bisa pangpunjulna. Kudu inget kabeh jelema oge mibogaan pangabisana sewang-sewangan. Ulah nepikeun jadi merod.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8428", "text": "Wajar mun geuleuh ku hiji hal. Salah sahiji hal anu dianggap pigeuleuhen ku seueur jalma nyaeta tai sato. Kalolobaan jalma bakal ngarasa geuleuh nalika aranjeunna deukeut tai sato. Ieu alatan bau anu dihasilkeun tina tai sato ngajadikeun anjeun teu nyaman, seueul, malah bisa nyieun jalma anu bau eta utah. Lamun ningali tai sato, utamana lamun masih baseuh, jalma bakal langsung nyingkahan tai. Leuwih ti eta, lamun awakna kakeunaan tai sato saperti tai manuk anu ragrag ti langit, jalma bakal ngarasa sial sarta bakal ngumpat sajadi-jadina. Hal-hal anu dirasakeun ngalawan tai sato mangrupikeun respon otomatis tina awak sahingga hese henteu ngareaksikeun sapertos kitu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8162", "text": "Upami ditodong senjata seuneu tong langsung sieun lakukeun babaraha perkawis ieu. Hal kahiji anu kudu dipigawe nyaéta tetep tenang jeung ulah provokasi. Lawan urang boga posisi jauh di luhur urang, jadi teu hade urang ngaprovokasi hiji hal anu bakal jadi pikaseurieun. Dina sababaraha detik urang kedah nyandak kaputusan anu penting pisan supados urang kedah tenang. Lamun ramo palaku dina pemicu mangka kaayaanana bahaya, utamana ku pakarang revolver atawa rakitan anu saliwatan teu boga mekanisme konci. Tong jauh-jauh ti nu ngalalakon. Jarak anu ideal nyaeta 2 lengkah supados urang tiasa ngira-ngira kaayaan eta. Posisi bagian vital awak urang teu dina garis sapanjang jalur tembakkan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5697", "text": "Abdi jengkel pisan mun tulisan abdi ditiron ku batur. Pernah harita abdi nyieun puisi, eh babaturan abdi teh apaleun. Tuliy ku babaturan abdi dikirimkeun ka media daring. Abdi meuni atoh, eh pas terbit teh geuning ngaran manehna, lain ngaran abdi, padahal manehna teu kontribusi nanaon. Abdi harita jengkel pisan. Ku abdi di chat, euweuh ngabales. Ditelepon, euweuh ngangkat. Keuheul pisan abdi teg handeueul. Nya enggeus we ku abdi dititah take down ka mediana, sabab eta karya meunang abdi, lain meunang manehna. Abdi meuni keuheul pisan boga babaturan jiga kitu. Paingan ngadeukeitan wae meureun da rek ngamangpaatkeun, lain hayang duduluran nana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2885", "text": "Abdi kantos ngalaman waktos SD. Oké, abdi terang, meureun naon anu bakal kuring carioskeun henteu goréng sapertos carita anu sanés. Sabab baheula mah mun keur SD mah geus biasa, kolot kuring nyaho ampir kabéh babaturan sakelas, kolot kuring nyaho guru-guru didinya malah ngajak datang ka imah kuring, kolot kuring kenal pisan ka kolot babaturan kuring. jarak sakola ka imah teu jauh teuing jeung sajabana. Alhamdulilah dugi ka ayeuna abdi masih keneh rerencangan sareng rerencangan SD. Nanging, upami kuring émut yén kuring ngalaman hal anu teu disangka-sangka, anjeun tiasa nyarios bullying, hal anu teu pikaresepeun pisan, pelecehan jsb. Ieu anu kajantenan kana rambut keriting kuring. Sok ngomong \"bulu mie !!\", \"bulu keriting !!\". Jeung aneh, salah sahiji babaturan kuring nanya serius \"Sebut mie bulu téh landihan pikeun anjeun?\". Naon anu anjeun pikirkeun???? Kuring geus pernah ngabales kecap maranéhanana. Kuring ukur bisa cicing bari neuteup kosong.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "294", "text": "Mun rek mibogaan anak kudu aya pertimbangan anu mateng jeung kudu ninggali dina sisi suami jeung istri. Sabenerna euweuh jawaban anu pasti sabaraha jumlah anak nu ideal, tapi kaputusan hayang boga anak loba atawa saeutik mangrupakeun hal anu pribadi, jeung dipangaruhan oge ku kondisi fisik jeung finansial. Nyatana kondisi finansial kulawarga oge ngaruh kana sabaraha lobana boga anak nu dipikahayang. Sanajan duit lain sagalana, tapi mun geus boga anak mah rek sabaraha wae ge anak kudu mibogaan duit anu stabil jang ngajamin kasehatan jeung kasejahteraan anak kahareupna. Eta oge jadi tanggung waler kolot ka anakna. Intina beuki loba anggota kulawarga tangtuna beuki loba oge pengeluaran.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6266", "text": "Salah sahiji faktor nu nyebabkeun kamar mandi tara beresih teh nyaeta kokotor nu jarang diberesihan. Misalna tapak sapatu atawa sendal nu teu dibanjur, bakal ngerak jadi kokotor mun teu langsung diberesihan. Kaberesihan kamar mandi teh jadi hal nu penting pisan dina kanyamanan salama ngagunakeun kamar mandi. Mantakna, mun geus beres make kamar mandi teh kudu langsung disikatan, kudu dijaga kaberesihan nana. Kaberesihan kamar mandi teh kudu dijaga pisan, kudu rutin disikatan jeung dibere karbol supaya euweuh sasatoan nu asup. kaberesihan oge jang ngajaga supaya teu leueur jeung teu nyebabkeun tisoledat. Mantak, yuk urang rutin beresihan kamar mandi supaya teu ngabahayakeun!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9521", "text": "Urang bisa ngarasakeun kabagjaan anu kacida gedena saatos ditampi kuliah di universitas impenanna. Ieu bisa jadi disababkeun ku ngabayangkeun yen usaha anu terus dilaksanakeun ku urang ahirna ngasalkeun hal anu urang pikahoyong. Bisa jadi ngarasa reueus kana prestasi anu tos dihontal sarta ngarasa bungah pikeun ngamimitian lalampahan anyar di universitas. Urang oge bisa jadi ngarasa nganuhunkeun pisan ka jalma-jalma anu parantos ngarojong sareng ngabantosan urang nalika proses pendaptaran, sapertos guru, kulawarga, sareng rerencangan. Kaputusan pikeun ditampi di universitas mangrupikeun titik balik anu penting dina kahirupan urang sareng mangrupikeun awal perjalanan anu pinuh ku tantangan sareng kasempetan. Eta sababaraha faktor anu jadi musabab urang ngaraos bagja.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4041", "text": "Statistik teh pelajaran anu hese, tapi urang bisa meunangkeun nilai tujuh puluh lima. Dibandingkeun jeung babaturan nu sejen, nilai urang termasukna nilai paling gede. Sabenerna urang teu resep pelajaran anu itungan hese soalna, tapi ai ngarah ku sering belajar mah buktina urang bisa. Samemeh ujian urang terus ngapalkeun rumus, jeung latihan soal-soal. Soalna mun teu kitu moal bisa-bisa. Bari ngapalkeun, urang sakapeung sok manggihan dosenna hayang menta pang jelaskeun materi anu teu ngarti. Dosenna teh bageur, hadena teh teu galak da biasana mah dosen matematika kitu mah sok rada galak. Tapi bapak ricky mah sabar pisan ngajarkeun urang, sakitu di ulang-ulang deui ge. Pas ujian batur mah sibuk neang contekan, ai urang mah sibuk ngitung na kalkulator. Hadena urang gancang, jadi bisa buru-buru kaluar ti ruangan teu kungsi merekeun jawaban ka batur. Saminggu tas ujian, nilai urang di sebutkeun nu paling gede, teu kudu remedial urang atoh banget. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6999", "text": "Di sakola, abdi gaduh hiji rerencangan anu dekeut pisan. Urang sok angkat ka sakola sasarengan, mapajh lantaran imahna dekeutan. Lamun isuk-isuk manehna pasti langsung nyampeur ka imah. Di sakola oge urang sakelas, lamun aya tugas pasti ngerjakeun sasarengan. Urang oge lamun libur mineng ulin bareng. Pokona manehna salah sahiji rerencangan abdi anu paling dekeut. Lamun di imah nuju teu aya sasaha, abdi sok mondok di teun manehna. Mamah jeung bapa arurang oge dekeut pisan. Hiji waktos manehna nyarios yen manhena jeung sakulawargina bakal ngalih ka luar kota lantaran bapana kedah dinas di luar kota. Abdi sedih pisan ngadangu kabar eta lantaran abdi bakal sono pisan ka manehna. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3273", "text": "Naha anjeun terang yén jalma anu henteu resep tuang pasta, jijik ka lauk atanapi bau lauk na, bahkan tomat disababkeun ku genetika? Sabaraha jalma anu henteu resep lauk, sareng ngan ukur tiasa tuang hayam bakar atanapi henteu hoyong sayuran? Élmuwan di Universitas Duke di North Carolina, AS, nyandak inventaris global ngeunaan \"pakan anu pilih-pilih\", ngarep-arep mendakan jawaban kunaon sababaraha urang ngagaduhan masalah dahareun. Aranjeunna yakin yén usaha ieu tiasa ngabantosan mendakan alesan genetik pikeun henteu resep sababaraha jalma kana sababaraha tuangeun sapertos brokoli, atanapi kacang keriting. Aranjeunna dicatet yén henteu resep éta akar jero, éta tiasa ngaganggu padamelan, hubungan sareng kahirupan sosialna. \"Ieu wewengkon nu can ditaluntik,\" ceuk Dr Nancy Zucker, diréktur Pusat Studi Masalah Dahar di Universitas Duke.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5197", "text": "Sapoe samemeh nikahan,sok diayakeun salametan. Salametan eta diayakeun na di imah calon pangantenna. Biasana sok ngondang bapak-bapak tatangga jang datang salametan di beurang na. Tuluy tos beres salametan biasana babagi besek kanu ngaraji jeung ngadoakeun nana. Di imah calon pangantenna biasana sok loba dahareun, termasuk oge kue panganten nu re dipake isukan na. Eta dahareun teh ngajajar sapajang ruang tamu, maksudna mah jang ngajamu tamu nu ngalongokan calon panganten sebaga bentuk rasa syukur. Teu cukup ku kitu, oge sok diayakeun pangajian ibu-ibu maju ka sore na mah. Maksadna mah nyuhunkeun doana supados acara inti dina poe isukna teh bisa berjalan lancar.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7005", "text": "Hirup sorangan ngajadikeun urang janten jalmi anu mandiri. Ngalakukeun sagalana sorangan. Masak sorangan, nyeseuh sorangan, gugah bobo sorangan. Moal aya nu ngingetan kanggo sholat subuh atawa ngingetan tos waktosna emam. Lamun sedih oge teu tiasa langsung carita, paling oge disimpen sorangan. Komo lamun keur teu gaduh artos, urang kedah neangan sagala cara supados tiasa minuhan pangabutuh jang sapopoe. Lamun di imah keur aya masalah urang biasana ngan tiasa ngaduakeun hungkul lantaran teu tiasa ngabantosan langsung. Upami urang gaduh masalah urang oge kedah tetep katingali tegar lantaran urang janten harapan kulawargi. Moal aya anu ngingetan upami urang teu acan sholat, janten urang diajar sadar sorangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5553", "text": "Yuk urang leuwih bija deui dina ngajieun konten! Ulah nepi ka ngandung hal-hal nu teu pantes jang ditayangkeun. Mun rek nyieun konten prank, kudu masing asa perencanaan na, oge ulah kaleuwihan. Ulah nepi ka prankna nyinggung soal agama, ras, atawa nu sejenna nu teupantes dijieun lelucon. Kade oge ulah nepi ka prankna kalah jadi bentuk bullying sabab leuwih teuing. Kudu bija jeung bisa ngandung hal nu bermanfaat jeung masyarakat luas, tong ngarah leluconna hungkul. Kudu inget yen ngonten teh aya nu ngaranna prinsip kebermanfaatan. Jadi, tong asal ngonten prank, yuk urang leuwih bijak deui supaya teu aya piha nu dirugikeun komo dibahayakeun!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3257", "text": "Dina unggal mahluk hirup, tangtu urang ngalakukeun ékskrési pikeun miceun hal nu teu perlu tina awak. Salah sahiji bentuk ékskrési nyaéta tai. Tangtu, sanggeus nyandak aranjeunna kaluar, urang langsung beberesih aranjeunna nepi ka nyieun sorangan jeung batur\r\nDina taun 2016, tilu pamayang ti Oman sapertos angin. The Times of Oman ngalaporkeun yén tilu pamayang éta mendakan 80 kilogram ambergris di basisir Qurayat. Diperkirakeun tilu pamayang Oman tiasa ngabagikeun US $ 3 juta (Rp.43,7 milyar) tina ambergris. Henteu ngan ukur kokotor, ambergris mangrupikeun kotoran anu dihasilkeun ku paus spérma (P. macrocephalus). Bari paus spérma regurgitate bagian undigested, sababaraha asup kana saluran pencernaan tur jadi ambergris. Catet yén ambergris butuh sababaraha taun pikeun muncul, sahingga jarang pisan.\r\nDina basa Perancis Kuna, ambergris (ambre gris) hartina \"abu Amber,\" jadi nilaina téh unquestionable. Manusa geus ngagunakeun ambergris pikeun generasi pikeun nyieun parfum. Mimitina bau, bau ambergris robah jadi bau parfum leuwih lila.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5999", "text": "Bagi jalma awam mah, ngahadapi operasi teh asa rek ngahadapi dicabut nyawa. Loba anggapan nu overthinking soal operasi teh, misalna sieun ku efekna, sieun ku carana, jeung sajabana. Biasana ge sok overthinking mun rek operasi teh sabab pan teu apal nanaon tea soal operasi. Jeung deuih teu aya elmu nu memadai jang mahami sagala perkarana. Teu jarang oge mun rek operasi teh sok mapayan kulawarga jang ngenta hampura. Kitu oge mun pasca operasi, sok loba anu malahan nempuh pengobatan alternatif oge supaya bisa pulih tereh. Aya oge sababaraha pihak anu emang patuh pisan kana sagala parentah jeung larangan dokter sabab loba kasieun jeung teu nyaho tea, jadi sieun pimantakeun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3303", "text": "Luyu jeung hirarki ngokolakeun runtah anu kaunggel ogé dina Peraturan Kementerian Lingkungan Hidup dan Kehutanan RI, konsép ngokolakeun sampah anu hadé, dumasar kana prioritasna, nya éta:\r\n1.) Ngurangan (ngurangan) runtah anu dihasilkeun. Kagiatan ngokolakeun ieu berorientasi kana ngokolakeun sumber daya, anu dimimitian ti unggal komunitas individu. Manajemén ieu mangaruhan pisan kana jumlah/jumlah runtah anu dihasilkeun di hiji daérah. Upama masing-masing individu bisa ngurangan jumlah runtah anu dihasilkeun, maka beban TPA salaku Tempat Pengolahan Akhir runtah ogé bisa ngurangan.\r\n2.) Reuse jeung 3.) Recycle mangrupa kagiatan ngokolakeun runtah anu lain ngan ukur mangaruhan kana ngurangan kuantitas runtah, tapi ogé bisa méré dampak ékonomi. Limbah anu dimanfaatkeun deui tiasa ngahemat biaya, sedengkeun limbah daur ulang berpotensi janten komoditas énggal dina siklus ékonomi.\r\n4.) Pangolahan (ngolah ngagunakeun téknologi) jeung 5.) Pembuangan (hoarding/TPA) nyaéta kagiatan ngokolakeun runtah anu merlukeun daya panglobana, saperti waragad, rohangan jeung rohangan, staf manajemen, jrrd.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7505", "text": "Lamun urang ngalaman kajadian anu kirang ngeunah sapertos disiksa ku batur urang kedah wani jeung tegas nyanghareupan jalmi anu ngancem jeung nyiksa urang. Ulah nganggap urang nu salah lamun urang teu ngalakukeun hal anu macem-macem ka batur. Urang oge tiasa ngalatih diri urang ku kamampuan fisik sapertos silat supados teu aya jalmi anu wani macem-macem ka urang. Ulah poho oge nyatet nomer anu penting anu tiasa urang pentaan tulung lamun ngalaman kajadian anu kirang ngeunah. Komo awewe, biasana sok dianggep lemah ku batur lantaran rentan pisan janten korban. Biasana sok aya komisi anu tugasna ngalindungan awewe jeung budak leutik anu kaancem ku batur di sakitarna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "208", "text": "Kuliah di salah sahiji paguron luhur anu aya di Jawa Barat teh hiji kareueusan. Komo deui kuliahna di kampus anu kasohor alusna nyaeta Universitas Padjadjaran. Bungahna kuliah di Unpad teh sabab aya di Sumedang, anu mana daerahna teh geus lengkep, aya mall, bioskop, penjual buku, nepikeun ka apartemen ge aya. Tuluy di kampus ieu lega pisan, tapi difasilitasan ku transportasi nu haratis anu ngaranna teh odong-odong, jadi bisa dianteurkeun ka fakultas tujuan urang. Loba tukang jualan dahareun di tiap fakultas sewang-sewangan pasti aya kantin, atawa bisa ka Gerlam sabari jalan balik. Lamun di kosan keur hoream ka luar, bisa pesen dahareun ngaliwatan aplikasi anu dijieun ku mahasiswa.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9011", "text": "Autophobia atanapi sieun nyalira mangrupikeun kasieun irasional pikeun nyéépkeun waktos nyalira. Fobia ieu digolongkeun kana phobia husus sarta mangrupa bagian tina grup phobia katelah agoraphobia. Jalma autophobic rentan kana serangan panik lamun ditinggalkeun sorangan. Henteu kedah diisolasi sacara fisik. Individu kalawan autophobia bisa ngarasa nyalira sanajan di wewengkon rame atawa loba jalma. Kusabab jalma anu boga autophobia parna manggihan éta ampir teu mungkin keur ngalengkepan tugas jeung kagiatan nu tangtu, loba sangsara tina depresi nu aya di kaayaan ieu. Aranjeunna bakal ngabayangkeun skenario anu paling parah dina sirahna. Contona, mereun aranjeunna gaduh serangan panik sareng yakin yén aranjeunna bakal maot salaku hasilna. Ilaharna, autophobia dimimitian di budak leutik anjeun atanapi nonoman, neraskeun kana dewasa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3244", "text": "Muntah nyaéta kaayaan nalika eusi beuteung kaluar alatan paksaan anu tangtu. Muntah dipirig ku perasaan seueul sareng kontraksi kuat dina otot beuteung. Naha geuleuh bisa ngajadikeun utah? Ieu kusabab awak urang boga sinyal unik nu nunjukkeun hal bahaya.Otak urang nyerna visual pikageleuheun urang tingali kawas racun. Teras pesen ieu bakal dugi ka bagian otak anu ngawasaan pangjurung utah. \"Otot burih lajeng bakal ketat urang ngahasilkeun loba ciduh, sarta tikoro ogé bakal ngetatkeun dina upaya ngajaga asam lambung kaluar tina esophagus,\" ceuk Richard Clarke, saorang neurologisdi University College London. Upami pesen anu ditepikeun ka otak kuat pisan sareng esophagus henteu tiasa nahan, maka urang leres-leres utah, tambah anjeunna. Narikna, jalma anu reflek ngarasa seueul sarta utah nalika aranjeunna ningali hal pika geuleuheun biasana condong jadi kuat dina salamet.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9157", "text": "Aya sababaraha inféksi anu tiasa disababkeun ku toilét anu kotor. Kahiji, nyaéta radang tenggorokan. Streptococcus nyaéta baktéri anu paling umum kapanggih dina kamar mandi. Éta mangrupikeun panyabab utama seueur jinis inféksi, kalebet radang tenggorokan. Kusabab baktéri ieu kacida tepa, éta bisa nginféksi hiji jalma ngaliwatan barang kamar mandi nu kacemar atawa tina objék nu jalma kainféksi geus keuna kayaning gagang panto. Sareng anu kadua nyaéta diare. Diare disababkeun ku baktéri Salmonella atanapi Campylobacter. Lamun hiji jalma ngumbara ka hiji tempat kalawan sanitasi goréng, maranéhanana ogé bisa ngalaman diare alatan inféksi ku E. coli, Shigella atawa parasit tangtu nu aya dina tinja. Lamun mikroba ieu datang kana kontak jeung kulit manusa atawa asup kana irung, baham atawa panon ngaliwatan leungeun kacemar, aranjeunna ngabalukarkeun rupa-rupa inféksi, sababaraha nu bisa parna atawa ngancam kahirupan. Ku kituna lamun urang ngarasa jijik, urang kudu ngajaga kabersihan pikeun nyegah sababaraha kasakit jeung inféksi. Ieu kusabab sababaraha patogén ngambang dina korsi toilet, tombol siram, jet semprot, kenop panto jeung wewengkon sabudeureun jamban.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2227", "text": "Rasanya hidup nyorangan éta normal pikeun kuring. Sanajan rada sepi. Kuring untung sabab kulawarga urang teu papisah sabab aya masalah. Tapi enya éta. Ieu rada hanjelu lamun kulawarga ieu ditugaskeun kaluar kota ku boss maranéhanana, dimana maranéhanana ayeuna hirup 15-16 jam drive jauh jeung tuah nanaon. Dina sababaraha bulan kapengker, Mamah hirup jeung adina sabab adina karek ngalahirkeun anak kahiji (jeung incu). Janten ibu hoyong ngiringan adina pikeun ngurus budakna sareng dina waktos anu sami hoyong cinta incu anu munggaran sareng hiji-hijina. Dua adi kuring mutuskeun cicing di bumi akina saatos nini maot. Imah maranéhanana ngan 20 méter jauh ti kuring sabenerna, tapi maranéhna jarang datang ka imah. Maranehna dahar jeung sare di imah Embah bari ngajaga jeung marengan Embah nu ayeuna nyalira (aranjeunna oge geus nyokot sakabeh parabot. Éta naon kahayang kuring). Kuring cicing nyalira di bumi sareng ucing kuring. Karasa sepi lantaran teu aya nu bisa diajak ngobrol.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8510", "text": "Janten bahan pikeun seuri ku babaturan sakelas bisa jadi nguciwakeun pisan jeung ngerakeun pisan. Batur teh bisa ngarasa bener teu nyaman sarta kapukul kusabab jadi perhatian sarta bahan seuri sakabeh kelas. Aranjeunna tiasa ngaraos yen teu aya anu tiasa nyalametkeun aranjeunna sareng sadayana panon aya dina aranjeunna. Ieu bisa mangaruhan kapercayaan diri maranehanana sarta nyieun maranehna ngarasa pisan teu nyaman jeung bagja. Nanging, penting pikeun emut yen kasalahan mangrupikeun bagian tina proses diajar sareng jalma sanes sering teuing sibuk sareng dirina pikeun mikiran kasalahan batur. Ku alatan eta, boga kapercayaan diri jeung kapercayaan diri penting pikeun nungkulan kaayaan kawas ieu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3261", "text": "upamana, aya nu nincak kandang hayam nu haneut kénéh. Kali ieu anjeunna teu ngagem sendal, sapatu atawa footwear lianna. Kumaha ngeunaan éksprési?\r\nKahiji, manéhna bakal ngarasakeun kahaneutan dina dampal sukuna bari curiga aya kajadian aneh ka manéhna. Sanggeus ningali, oh ternyata tai hayam! Ha ha ha. Anjeunna mimiti neuteup ka dirina kalawan disgust. Pilari cai? Kumaha upami teu aya cai dina waktos éta? Laun-laun manggih daun, tuluy digosok tai. Atawa? Kéngingkeun kayu, caket kana témbok, teras usap di dinya. Mun fad, aya kalana jalma bakal nyium suku atawa leungeun maranéhna. Naha éta ngan ukur pikeun mastikeun bau kotoran, atanapi malah sono kana bau aromatik tai hayam? Ha ha ha", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3346", "text": "Hiji poé kuring jeung kahareup (salaki) keur dahar di réstoran aceh di Jakarta Pusat. Waktu harita ngan aya 2 meja, kuring jeung salaki, hareupeun kuring aya meja sejen nu eusina 2 lalaki jeung 1 awewe. Teu kahaja kuring ngadéngé omonganana ngeunaan usaha minyak goreng b****i mun teu salah mah.\r\nRéstoran sepi, ngan ukur sora samar-samar lagu anu teu weléh nyaring, bisa disebutkeun restoran leutik lengkep jeung barista anu ngarangkep jadi kasir.\r\nWaktosna mah gelisah, nyeri beuteung, gumujeng. Panginten, upami kuring kentut, biasana kuring henteu ngadangu, khususna upami éta sofa. Soundproof kawas lamun kuring kentut.\r\nLamun musik lalaunan robah sarta jadi sepi.. Kaayaan di réstoran éta sepi. Pangusaha ogé cicingeun, kuring ogé jempé sabab kenyang. Abdi henteu tahan, tanpa disadari, kuring kentut rada nyaring \"DUUUUTT...\" di antara jempé. Salaki hareup molotot bari neuteup kuring nu teu percaya. Abdi éra, raray biru, asin, YA ALLOH abdi hoyong beuleum di laut maot duh Gusti.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5690", "text": "Aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun jang ngurangan konflik isu sara khususna nu aya di Indonesia. Nu kahiji nyaeta tumbuhkeun kasadaran yen dina kahirupan teh aya perbedaan jeung kaberagaman. Hal ieu justru nu jadi warna dina kahirupan teh. Nu kadua nyaeta kudu saling ngahormati perbedaan. Mun aya perbedaan teh kudu saling ngahormati, lain kalah micu ayana konflik. Nu katilu nyaeta tumbuhkeun rasa toleransi dina diri sorangan, ulah nepi ka apatis komo arogan sabab ngarasa kaum mayoritas atawa ngarasa boga power nu bisa digunakeun. Hirup mah silih berdampingan, mantak perlu pisan ayana rasa toleransi jeung tenggang rasa di antara umat manusa.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7811", "text": "Abdi rada kaganggu pisan ku hayam tatanggi abdi. Manehna karek ngukut hayam, tapi tara diasupkeun kana kandang, jadi we hayamna sok ngaruksak pepelakan batur jeung sok modol di mana wae. Pernah basa abdi bade angkat ka kampus. Abdi tos nganggo sapatu anu alus tapi teu kahaja nincak tai kotok di hareupeun imah. Asalna mah abdi teu nyadar. Tapi pas nuju mapah asa bararau, epekteh bener we pas titincakan saparuna ditingal, aya tai kotok di dinya. Abdi kapaksa balik deui ka imah ngagentos sapatu lantaran bisi ngotoran lante di kampus pas abdi nuju diajar. Abdi oge kedah naek beus, bisi napel dina beus. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7838", "text": "Lamun nuju pere kuliah abdi mineng pisan kempel sareng rerencangan sakola lantaran urang geus karuliah janten teu gaduh waktos seeur kanggo patepang sapertos baheula da kuliahna benten kampus. Matak lamun pere kuliah abdi pasti langsung ngajakan rerencangan mondok di imah kuring sababaraha poe kanggo papasakan sabari ngobrol nepika peuting. Abdi resep pisan ngarobrol nepikeun ceurik jeung seuseurian deui pokonamah kabehna dibahas ti masalah leutik nepikeun ngagosipkeun artis jeung batur. Aya hiji rerencangan kuring anu lamun ngomong teh sok sabari muncrat pedah manehna sumanget teuing nyariosna sabari teu nyadar cudahna muncrat kamamana tuluy beunang lengeun abdi, abdi langsung geleuh ka manehna teras wawasuh panangan. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7542", "text": "Pas nuju waktosna istirahat di sakola, sapertos biasana rerencangan di kelas bebas ngalakukeun naon wae. Aya nu jajan, tuang, aya nu ulin kartu, tapi aya hiji rerencangan kuring nu resep ngagambar, manehna ngagambar di papan tulis nganggo sapidol. Di papan tulis eta manehna oge nyerat sababaraha tulisan anu maksudna moyok rerencangan anu sanes lantaran nuju hereuy. Pas waktos istirahat tos bade seep, maranehna panik lantaran eta gambar dina papan teu tiasa dihapus sabab make sapidol permanen, maranehna salah nyandak sapidol, komo gambarna teh pinuh pisan sagede papan. Manehna leuwih sieun deui lantaran saatos ieu jadwalna palajaran agama. Di papan tulis eta aya basa anu kasar oge sanajan leutik tapi katingal pisan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2616", "text": "ojeg motor online jeung ojek pangkalan ngadu-ngadu di sabudeureun Stasion Bekasi, Jalan Juanda, Bekasi Selatan, Kota Bekasi, Rebo peuting kamari. Disangkana, sengketa teh ku sabab basa ojek ambek lantaran wilayahna direbut ku ojek online.\r\n\r\nInpormasi anu ditampi ku merdeka.com, kajadian éta dimimitian nalika pangkalan ojek, Wahyu Pratama (31), ngadeukeutan rombongan supir ojek online di sabudeureun Tugu Bulan-Bulan. Tanpa basa-basi, Wahyu ngamuk bari nepak motor supir ojek online nepi ka murag. Teu bisa narima perlakuan Wahyu, supir ojek online séjén datang malah geng ka anjeunna.\r\n\r\nAksi éta teras dicegah ku sasama taksi motor online sareng aparat kapulisian ngarahkeun lalu lintas di dinya. Wahyu tuluy dibawa ka pos polisi lalu lintas sangkan teu jadi sasaran amarah massa.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6075", "text": "Mun aya babaturan nu kena panic attack teh kudu dibere tempat jeung dibere kasempetan jang nenangkeun dirina. Panic attack teh serangan tiba-tiba nu teu paruguh naon penyebab jeung sababna. Mantak, mun aya babaturan nu kena serangan panic attack teh kuduna dibawa ka ruangan titah nenangkeun diri sorangan. Titah ngatur emosi jeung antepkeun titah sorangan. Jauhkeun tinu sagala hal nu micu stres, misalna jauhkeun tina loba jalma. Mantak, kudu ngarti deuih kumaha cara ngatasina jeung mun bisa mah nyegahna. Ingkeun titah sorangan, ulah nepi ka narima gangguan ti mana-mana jeung ti sasaha. Yuk coba ngartikeun kaayaan mental babaturan supaya bisa jadi tempat nyalindungna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7284", "text": "Tos sababaraha minggon rerencangan abdi teu haid. Asalna mah abdi mikirna manehna nuju stress lantaran biasana siklus haid teh dipangaruhan ku stress oge. Tapi manehna nyarios yen manehna ngalaman nyeri jeung mual. Abdi teu mikir ka mamana, tapi supados mastikeun teu aya masalah abdi nitah manehna tes pek. Asalna manehna nolak jeung ambek ka kuring, tapi abdi ngayakinkeun manehna kanggo tes. Abdi meser tes pek online supdos manehna teu era meser ka warung. Pas dites abdi bener-bener teu nyangka manehna hamil, padahal manehna teh katelah awewe anu bageur. Abdi teu percaya manehna anu budak SMA keneh tos hamil sateuacan nikah. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6294", "text": "Di bumi abdi teh sok seueur barudak nu arameng ngahajakeun da aya warungan. Tah orok ge sok aya nu ameng di bumi. Biasana orok teh sok dipasihan sagala camilan jang ngebebenyokeun nana. Hiji poe, abdi gereget hayang nyobaan mangku. Keur dipangku teh mimiti na mah anteng wae, eh pas kadituna teh kalah ceurik da bosen meureun. Pas ceurikna teh bari ngelay ongkoh ngeclak kana panangan abdi. Abdi gila ngarasakeun nana, meuni tiis jeung kentel. Ih geuleuh pisan da meuni laleueur. Untungna we indungna buru-buru ngarapek da geus ngartieun meureun. Aiteun sok hayang mangku abdi teh, tapi hoream ku ngeclak elayna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1408", "text": "Pas urang masih keneh sakola, urang pernah ngalaman momen nu nyieun urang era pisan. Harita urang keur leumpang di koridor sakola, tuluy urang ninggali babaturan heubeul nu keur leumpang. Urang teu mikir panjang, langsung ku urang geroan make ngaranna. Tapi pas manehna ngalieuk jeung ninggali urang, urang sadar mun jelema nu ku urang geroan teh sabenerna lain manehna, tapi jelema nu can urang wanoh. Urang ngasara era pisan jeung teu apal kudu ngomong naon, jadina urang menta hampura tuluy indit sagancang-gancangna. Saenggeus kajadian eta, urang ngarasa teu nyaman jeung ngarasa era unggal panggih jeung jelema eta. Kajadian ieu ngajarkeun urang pentingna kanggo mariksa heula nu bakal digeroan teh emang babaturan urang atawa henteu, meh teu kajadian deui hal anu sarupa.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6348", "text": "Keur ka hiji kota mah abdi teh salah asup WC sabab teu apal tea. Jadi abdi liren di rest area kangge ka cai. Pas rek asup cai teh euweuh tulisan awewe atawa lalaki, abi tuluy we asup. Naha pas asup teh WC na ngan saeutik, kalah ka loba tempat jiga wastafel tapi kangge papang pameget. Abdi meuni degdegan pisan sabab apal salah asup WC. Untungna euweuh lalaki nu keur ka WC harita. Pantesan we WC na ge rada bau jeung rada kotor, beda jeung WC awewe. Tuluy deuihan tembokna teh kumuh euweuh kacaan, cingcirining eta teh bener WC lalaki. Untung we abdi geus apal kana perbedaan nana jadi teu sagawayah ngagunakeun WC. Jeung deuih singhoreng mah tulisanna teh aya di gigireun tembok, kahalangan ku dangdaunan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2455", "text": "Indung kuring didiagnosa panyakit jantung salila 2 taun ku dokter. Abdi parantos dirawat di rumah sakit 3 kali di rumah sakit jantung khusus di kota kuring, dimana biaya rawat inap per dinten ngaleuwihan biaya kamar kelas VIP di rumah sakit biasa. Saméméhna anjeunna didiagnosis panyakit paru-paru, ku kituna anjeunna rutin dikontrol unggal bulan ka rumah sakit paru husus. Abdi teu pati ngartos kronologis prosesna perkawis ieu, margi waktos abdi nuju kuliah di Bandung, kantun diwartosan ibu abdi parantos dirawat di rumah sakit salami 2 dinten. Indung kuring, anu paling parah, ngan ukur nyeri sirah, ujug-ujug dirawat di rumah sakit, écés kuring kaget. Langsung soré kuring balik ka imah kalayan beus panungtungan ka kota kuring. Bapa nyarios yén indung abdi anémia. Mamah sok ngalaman darah rendah. Bibi mah (adi bapa) nu jadi bidan, biasana mah ngan ukur méré obat panambah getih. Lajeng ibu cageur.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4037", "text": "Di kampung urang lolobana kampus swasta, mun kampus negeri ngan aya babaraha hiji, mun teu salah ngan aya hiji. Di kampus swasta lolobana ngan mentingkeun biaya, teu mentingkeun nilai. Jadi muridna teh sakadaek, mun teu asup ge bisa nitip absen. Jujur urang lewih bungah pisan mun asup ka kampus negeri, tapi basa D3 mah urang kuliah di kampus swasta da ulah jauh ti kolot, ngan pas lanjut S1 urang katarima di salah sahiji kampus di kota jakarta, kampusna teh negeri asupna ge hese pisan kudu miluan tes anu teu sakali dua kali, tes na loba jaba saingan na ge loba da jurusan favorit. Terus mun arek meunangkeun beasiswa aya rata-rata nilaina, tapi urang miluan. Pas geus miluan urang meunang beasiswa ngan sasemester, tapi urang bungah pisan. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5166", "text": "Basa nuju ulang taun, Arki dipasihan kue ku babaturan kelasna. Kabeneran harita diberekeunna pas rek balik. Rek uih teh naha asa tariiseun babaturan kelas teh, euweuh nu paheula-heula, eh singhoreng mah nyariapkeun kue jang Arki. Perasaan Arki bungah kacida, asa can pernah dibere kado ulang taun jiga kieu. Batur geus mulai baralik ge, Arki masih keneh sigugulung babaturan nana. Kaayaan sakola geus mulai sepi, tapi sora susurakan ti babaturan Arki masih keneh rame Alhamdulillah, Arki bersyukur pisan gaduh babaturan nu kompak tur solid jiga kieu. Bungahna kacida pisan ieu mah. Moal mungkin tiasa dihilangkeun tina memori ieu hari spesial pisan teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7314", "text": "Aya-aya wae kalakuan jalmi jaman ayeuna. Pas mesen dahareun di hiji resto, abdi ngantosan di hareupeun kasir lantaran nomer abdi sakedap deui bakal digeroan. Pas palayan masihan dahareun sareng minuman dina nampan di hareup meja kasir anu disadiakeun kanggo nyandak dahareun, aya jalmi nu nyandak eta dahareun, padahal tos aya nomerna di meja eta jeung dahareun eta teh teu acan dibayar. Abdi teu resep dahareun abdi dicandak ku batur. Hiji palayan anu ningal kajadian eta oge langsung nyandak deui nampan abdi ti budak eta sabari nyeseulan budak eta yen teu meunang nyandak dahareun batur. Abdi langsung molototan eta budak lantaran sebel ningal bengeutna. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2089", "text": "babarengan nepi ka akhirna tantangan akhir muncul nyaeta Ujian Nasional,satiap anak gaduh lembar soal anu beda-beda jadi hese jang urang. pikeun nyalin. Jeung 2 babaturan kuring meunang korsi di kelas hareup. Kuring hariwang ngeunaan aranjeunna kusabab kapasitas otak maranéhanana biasa-biasa wae, tapi dina kaayaan kawas kieu\" éta unggal lalaki keur dirina sorangan \". sadayana ngeunaan UN. Nalika hasil UN muncul keajaiban dunia, 3 idiot anu ngan diajar kirang langkung 5 sasih sateuacan UN suksés lulus. peunteun anu ku simkuring dipikameumeut, waktos eta anu ku simkuring dipikahartoskeun nyaeta lulus babarengan sareng lebet ka SMA anu sami kanggo neraskeun pendidikan sareng silaturahmi. nah alhamdulilah janten pangalaman diajar babarengan teh jadi nu bisa nyiptakuen pangalaman endah ker lulus bareng-bareng.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5522", "text": "Mun urang nuju di leuweung, tong poho sasadu heula kanu teu katingali. Sabab di unggal tempat ge pasti aya nu nungguan, kan hirup na ge berdampingan jeung kahirupan urang salaku jalma di dunia. Komo mun di leuweung, kudu ngajaga etika jeung cariosan, ulah sompral. Kudu silih hargaan kanu makhluk ghaib ge, lain ka jelema hungkul. Tong nepi ka urang ngusik tempat nu dicicingan nana. Mantak, utamakeun sasadu komo mun ka tempat anyar mah, itung-itung bentuk ngahargaan ti urang. Jaga oge cariosan ulah sompral bisi jadi mamala ka awak sorangan. Omat, utamakeun etika komo mun di tempat anyar, nya, ulah henteu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7538", "text": "Aki abdi nembe pisan dipasihan manuk ku rerencanganna. Ieu kaasup manuk anu awis pisan, tapi rerencanganna mercayakeun ieu manuk ka aki lantaran apal aki mah tiasa ngurusna. Isukna misan abdi datang ka imah aki, manehna karek yuswa opat taunan, manehna atoh pisan basa ningal aya manuk, komo manukna nurut lamun dititah nyamperkeun. Pas nuju asik ulin, eta manuk jol hiber ka luar, abdi langsung reuwas jeung panik. Aki nuju di kamar cai, teu aya nu wani ngabejaan aki yen eta manuk teh hiber lantaran sadayana tos apal lamun aki ambek bakal beunang sadayana. Aki nyeseulan sadayana kanggo nutup panto lamun nuju ulin jeung manuk, tapi untungna eta manuk balik deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9535", "text": "Ayeuna, peuting di taun 1980-an, Jon diuk di hareupeun tv, ngadagoan pengumuman kaluaran nomer lotre. Jon resep pisan maen lotre sarta rutin nyimpen duit pikeun meuli tiket lotre unggal minggu. Ujug-ujug, salah sahiji nomer anu muncul dina layar tv akur sareng nomer dina karcis lotre Jon. Jon teu percaya kana naon nu ditempo sarta ngarasa bungah. Anjeunna terus mariksa tiket lotre, tuluy jojorowokan yen manehna meunangna lotre! Jon teu bisa nahan rasa gumbirana. Anjeunna teu percaya yen anjeunna geus meunang lotre. Manehna langsung nelepon ka kulawarga jeung babaturanana pikeun mere warta hade. Manehna geus lila ngimpi meuli imah anyar. Anjeunna oge rek nyisihkeun artosna pikeun kaperluan kulawarga sareng ngabantosan jalma anu peryogi. Jon bungah kacida lantaran meunang lotre jeung ngarasa nganuhunkeun pisan kana rejeki nu geus dibikeun ka manehna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2856", "text": "Abdi henteu terang naha ieu phobia atanapi henteu.Babaturan mah anti pisan ngaranna.. Timun! Leres, buah anu sering dianggo sayuran seger mangrupikeun momok anu pikasieuneun pikeun anjeunna. Kacaritakeun riwayatna teh lantaran geus gering nu ngajadi sare sapoe-poe jeung kabeneran di kampung tempat sare teh keur usum panén bonténg. Kombinasi rasa keuheul ti keur gering tambah ningali bonténg ngacapruk sabudeureun anjeunna unggal poé bisa jadi alesan naha anjeunna hates bonténg. Jelas anjeunna bakal ngaleungitkeun buah ieu tina dietna. Tapi nu leuwih parah, manéhna moal daék ngadahar sangu anu geus “katarajang” bonténg. Dina sababaraha kasus anjeunna tiasa bau sareng terang upami sangu ngagaduhan kontak sareng bonténg sanaos anjeunna henteu bébéja. Janten upami aya anu hoyong mésér pecel lele atanapi pecel hayam, anjeunna pasti anu paling rumit pikeun mesen.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7833", "text": "Jalmi anu betah ningal runtah anu aya di caket tempat manehna cicing teh biasana gaduh masalah dina dirina sorangan. Soalna aneh lamun aya jalmi anu resep numpuk runtah nepikeun loba, naha manehna teu ngarasa bau atau ngarasa kaganggu kitu? Biasana jalmi anu teu gaduh waktos kanggo merhatikeun kaayaan di sabudereunna pasti nuju aya masalah pribadina nepikeun teu boga waktos kanggo mikiran masalah anu aya di luar. Hal ieu kajadian di rerencangan di kosan kuring, manehna tara miceun runtah nepikeun bilatung kalaluar tina runtahna nepikeun aya di luar panto kosan manehna. Rerencangan anu kamarna sabeulahan jeung manehna langsung gareleuh basa ningal aya bilatung dina teras. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3335", "text": "Tah, pas motor sejen rek meuntas, kuring meuntas bareng. Posisi kuring tukang nuturkeun sababaraha motor di hareupeunana. Di hareup pisan, kuring junun ngaliwatan meuntas péngkolan kuring, malah kuring katabrak ku beus. Bangsat! Di beulah kéncana aya Betor (beca motor), kandaraan husus mawa barang/jalma nu dirobih. Panumpang Betor ngagorowok pas ngadeukeutan motor kuring. Abang Betor teu bisa ngahindar ngaléos ngajauhan motor kuring hareupeunana. kacilakaan. Kuring ngabatalkeun kelas ngagantian babaturan kuring sareng kuring henteu hoyong deui ngagentos réréncangan kuring. Kunaon abdi hoyong ngagentos mitra ajar abdi... Teu aya alesan, éra di payuneun murid-murid & ditunjukkeun ka resepsi supados abdi tiasa percanten. Lajeng raray maranéhanana antara hayang seuri sieun dosa, teu seuri keur hiburan sorangan. Naon deui, aya koméntar si resepsionis, \"Pak, saleresna abdi hoyong nyarios kumaha calana anjeun robek? Kunaon? Tapi si bapa buru-buru ka kelas...\" Bisa dibayangkeun, sanggeus kacilakaan tadi kuring ngaliwat ka tempat parkir, si lobi dimana aya jalma linggih dina bangku, panarimaan, WC, naek tangga, ... sabaraha jalma geus katempo kuring kawas éta", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "668", "text": "Saprak meunang undian ti pasar malam nyaeta hadiahna teh Smartphone, urang ngajak babaturan ngameh miluan oge. Emang harita mah teu pada percayaeun, tapi pas ditembongkeun hadiah undianna kakara percaya. Saenggeus magrib urang nyampeuran babaturan ka imahna hiji-hiji da geus jangjian isuk-isukna. Aya limaan nu milu teh, maranehna geus nyarokot duit ti imahna sewang-sewangan. Mimiti si Andi jeung si Zaky nu nyobaan undianna tapi teu meunang, tapi pas giliran si Heru manehanana meunang sarua percis jeung urang. Tapi manehna mah lain meunang Smartphone, tapi meunangkeun sembako. Sanajan kitu ge geus bungah ari meunang undian mah. Isukna oge kitu nu can mareunang masih keneh panasaran nepikeun ka unggal poe ngadatangan bari maen undian eta.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6896", "text": "Abdi gaduh rerencangan anu ayeuna kuliah di luar negeri. Manehna oge gaduh rencana kanggo ngalanjutkeun kuliah S2. Manehna tos ngarasa butuh nikah lantaran manehna tos gaduh pagawean anu pasti jeung manehna oge butuh caroge anu ngalindungan manehna salila manehna cicing di luar negeri. Sateuacan nikah manehna boga prinsip hoyong taaruf lantaran manehna teu pernah bobogohan. Proses taaruf anu dilakukeun nyaeta ngadamel CV supados supaya tiasa ngenalkeun sifat, karesep, jeung sababaraha informasi ngeunaan diri urang. Manehna tos ngarasa cocok jeung hiji lalaki anu sarua nuju daptar kuliah di luar negeri oge, manehna ngalaksanakeun nikahan di Indonesia ngan ngondang kulawargi jeung rerencangan anu dekeut hungkul lantaran covid. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2906", "text": "Waktu keur SMP, kabeneran unggal bulan sok aya kagiatan ngojay. Waktu éta, kuring keur senang. Tétéla nalika kuring ngojay kuring jauh teuing ka kolam renang anu jerona 2 meter. Waktu kuring eureun ngojay, kuring mikir naha suku kuring teu ngahontal, malah dimimitian ti dinya, kuring panik sarta awak kuring mimiti kram sarta tungtungna tilelep. Kuring geus sababaraha kali nanya ka babaturan kuring pikeun pitulung pikeun nyalametkeun kuring tapi hanjakalna teu saurang ogé nempo kode kuring. Kuring ogé nyoba tenang jeung awak kuring ngambang. Ujug-ujug aya nu narik leungeun kuring sarta tungtungna kuring disimpen. Saprak harita, kuring sok sieun ngojay di jero luhureun 2 méter.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "319", "text": "Pentingna tahlilan oge bisa ngingetan kana maot, hadir dina hiji tahlilan oge bisa nyieun urang nginget kana maot. Hal ieu sabab maca tahlil nu dibacakeun ka jelema nu maot bisa nyieun jelema nu tahlil bakal nginget kana maot. Yen kabeh jelema nu hirup akhirna mah bakal maot jeung balik deui ka Allah SWT. Ku inget kana maot, sahenteuna batur bakal milih jang tobat jeung loba menta hampura ka Allah SWT. Sanajan lain ti kulawarga atawa dulur, tapi ku ayana tahlilan, batur nu hadir dina tahlilan eta oge bakal ngadoakeun nu maot salian ti ngahibur kulawarga anu ditunggalkeun komo duei sabari ngucapkeun kapapaitan jeung ngahibur kulawarga nu ditinggalkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4040", "text": "Ujian pendidikan kewarga negaraan kamari urang meunang peunteun salapan puluh tilu, meskipun teu saratus tapi urang bangga pisan ka diri urang. Soalna urang geus belajar bebelaan begadang, tapi asup kebeh ka otak sakitu peuting belajarma teu subuh-subuh. Urang resep belajar komo mun rek ujian, kadang mah urang sok di hapalkeun sabukueun di tulis anu pentingna. Jadi metode belajar urang mah, kabeh nu aya di buku di persingkat terus di tulis na kertas point-point na hungkul. Meh babari mun di hapalkeun teh, kadangurang mun belajar sok di waktuan jiga dua puluh lima menit belajar terusblima menitna istirahat. Soalna kadang mun keur belajar ge butuh nginum jeung ngemil, nya ngagayeum weh bari belajar. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8256", "text": "Udin kantos janten korban tabrakan. Caritana manehna keur leumpang sawaktos aya motor nabrak manehna ti tukang. Manehna tikusruk ka hareup tur ambek-ambekan ka nu mawa motorna. Tetela nu mawa motorna teu apal upami motor nu dianggona remna blom janten teu tiasa eren sawaktos ngaliwatan Udin. Samenjak eta Udin janten sieun ka nu ngarannna rem blong. Kusabab eta teh ayeuna Udin sok nyaram atanapi ngabejaan ka tiap jalma nu manehna wauh upami bade angkat kamana-mana naek motor, mobil, atanapi kendaraan nu sejenna kudu mariksakeun kaayaan rem. Kusabab cilaka mah eweh nu nyaho salian tiasa ngabahayakeun urang rem blong teh tiasa oge ngabahayakeun batur. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5679", "text": "Salah sahiji hal nu nyebabkeun rasa jengkel jeung nyeuri hate teh nyaeta meunang perlakuan nu teu adil. Perlakuan nu teu adil teh sering pisan dipanggihan dina sagala aspek kahirupan. Teu adil sabab dianggap orang nu teu penting, teu adil sabab dianggap orang nu teu berguna, jeung sajabana. Bahkan nu leuwih parah mah diperlakukeun teu adil sabab ditingali tina rupa jeung penampilan. Nu geulis, kasep, jeung stylish mah sok dipandang luhur, beda jeung nu penampilanna saderhana, sok loba disapelekeun ku batur. Padahal hal nu kitu teh teu bisa dijadikeun tolok ukur tina kualitas sasaorang. Objektivitas teh kaelehkeun ku subjektivitas dina realita mah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "297", "text": "Sapangalaman urang nu sok ngasuh orok, mindengna orok teh teu daek cicing. Nah sabab ku eta, alusna perhatikeun oge cara ngasuh orok ngameh kahindar tina bahaya di imah. Nu kahiji jauhkeun tina jendela, komo deui lamun jendelana aya di imah tingkat ieu bahaya pisan jang orok anu sok teterekelan. Nu kadua jauhkeun tina listrik, ieu oge penting sabab lamun ditarik bisa nyetrum. Komo orok mah teu apal nanaon jeung rasa panasaranna gede. Nu katilu jauhkeun tina juru meja atawa benda anu tumpul. Ieu bisa jadi bahaya sabab orok bisa wae tidagor. Nu terakhir kudu leuwih ekstra hati-hati di tangga atawa di hareupeun panto imah. Sabab orok bisa wae naek tangga atawa ngorondang kaluar imah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3308", "text": "Kuring nengetan kadaharan anu aya dina jandéla, kana méja. Aya loba laleur. Kuring reflexively kipas dahareun. Utamana nu aya di meja hareup kuring. Babaturan kuring teu sadar langsung mesen goreng hayam.\r\n\r\nSanggeus kuring perhatikeun kumaha datangna aya leutik bodas bodas leutik nu keur obah dina lauk kari pas hareupeun kuring. Kuring langsung nganggap éta endog laleur. Babaturan kuring nanya naon anu kuring hoyong pesen, kuring langsung nyarios moal tuang.\r\n\r\nKumargi si mas tos nyandak beas na teu sae upami kantun angkat, simkuring ngan mesen hiji nasi tanpa lauk. Kaluar ti tempat dahar, kuring bébéja manéhna langsung ngarasa goréng. Urang balik ka hotél sarta maréntahkeun dahar di kadaharan gancang.\r\n\r\nKadaharan naon anu anjeun pesen? Tangtu moal didahar. Geus sieun... da gareleh", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2866", "text": "Pertama kali kuring nempo maot nalika kuring indit ka réstoran seafood, sarta kuring nempo lauk maot dina akuarium. Kuring niténan kaayaan lauk anu masih séhat, tuluy éta lauk luncat tina akuarium. Karyawan réstoran nyekel lauk jeung balik deui ka akuarium deui. tapi laukna geus paraeh. Naon prosés nyeri pikeun lauk.Lauk ngabengkokkeun ototna, ngagebeg sakali deui, tuluy cicing.Biwir laukna mimiti leuleus, ngambang ka handap ka dasar bak. ahirna paéh. Kuring ningali éta nalika kuring umur 5 taun. Meureun hal anu sarua kajadian ka manusa. Kuring nyaritakeun kaayaan nini anu maot di imah. Nini kuring kaserang diabetes akut. Kuring jadi trauma nepi ka ngajerit sieun. Panonna molotot kana lalangit imah, bari ngomong, “Maneh mawa kuring ka mana? Abdi henteu hoyong angkat. Béjakeun ka dua lalaki hideung éta angkat ti dinya.” Bibi teu ningali saha waé di kamar. Terus si bibi mah nyuhunkeun minyak bodas supados nini tenang. Nini kuring ngomong deui, \"ulah indit, mamah sieun.\" bari nyekel leungeun bibi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4315", "text": "Basa ulang tahun babaturan urang poe sabtu kamari, urang jeung babaturan anu sejena di hajakeun rek jieun prank ulang tahun babaturan. Urang rek ngajailan yen carita na eweh salah sahiji oge ti urang anu inget ulang tahun na. Arurang kalah ka keur sibuk ku urusan na masing masing pokokna urang rek ngajieun maneh na sedih nepi ka ceurik. Urang kabehan eweh anu ngucapkeun ulang tahun nu aya kalah ka nyalah nyalah keun maneh na. Nyalahkeun yen manehna ceunah ngagogoreng urang sarerea di tukang beuki ngomongkeun urang di tukangna jeung sajabana. Maneh na ngarasa binggung jeung sedih nepi ka ceurik, geus kitu kakara urang bongkar urang bejaan yen urang ngaprank maneh na urang bawakeun kueh karesepna jeung lilin. Maneh na reuwas teu sangka jeung bungah. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3416", "text": "Henteu sakabéh merk deodoran jeung jenis parfum bisa ngaleungitkeun bau awak. Kanyataanna, aya hal anu ngajadikeun bau malah goréng. Baheula, alatan sibuk kagiatan, késang kaleuleuwihi jeung pas di imah dulur kuring dicarékan, cenah mah bau haseum. weee kumaha ngerakeun hiji awewe bisa disebutkeun yen Pikeun meunang sabudeureun éta, ieu naon atuh. Nganggo sabun Asepso nyaéta Deodoran Segar Higienis ti Nivea. Kalayan dua barang éta, kuring tiasa ngaleungitkeun kesang anu kaleuleuwihan sareng tangtosna henteu bau hehehe Bawa deodorant ka mana-mana, khususna upami seueur kagiatan luar. Saatos nganggo sacara teratur, kuring ngan ukur tiasa nganggo sabun sanés, sabab salian ti kesang, kuring ngagaduhan kulit anu sensitip. Hayang make chetapil teuing mehong keur ukuran budak kuliah. Mun teu boga asepso mah biasana make dettol bonténg, seger pisan mun mandi. Ngan sanggeus bau awak jeung kesang diungkulan urang ngagunakeun parfum. Entong nyobian nganggo parfum nalika anjeun bau sareng kesang", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6992", "text": "Abdi dicaritakeun ku rerencangan, manehna kaduhung pisan lantaran teu tiasa maturan indungna pas anjeunna pupus lantaran manehna malahkah milih ulin sareng rerencanganna tibatan maturan mamahna di rumah sakit. Padahal mamahna tos menta dibaturan ka rumah sakit. Pas eta manehna teu nyangka yen eta teh mangrupakeun poe terakhir manehna sareng indungna. Isuk-isuk manehna geus siap-siap ulin sareng babaturanna, di waktos anu sami mamahna menta dianteurkeun ka klinik, tapi manehna kalahkah nitah tatanggina nganteur mamahna, epekteh mamahna kedah dibawa ka rumah sakit. Pas ditelepon oge manehna teu ngangkat, padahal mamahna tos teu sadar. Pas manehna balik manehna karek apal mamahna tos teu aya, manehna langsung lumpat ka rumah sakit. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6919", "text": "Abdi dikontrak di salah sahiji BUMN di Bandung salila dua taun, teu karasa tos sakedap deui kontrak abdi di pausahaan ieu bakal ereun. Abdi sabenerna teu acan siap kaluar ti pausahaan ieu. Abdi tos ngarasa nyaman di dieu. Abdi oge tos dipasihan waktos jeung diingetkeun kanggo milarian pagawean anyar. Tapi nyatana teu gampang milarian gawean teh. Komo abdi ngan lulusan SMK. Abdi tos nyiapkeun tabungan ti pas awal gawe kanggo simpenan lamun abdi di-PHK. Tapi seeur nu tos kapake lantaran abdi kedah ngabiayaan adi kuliah. Can mayar listrik jeung kanggo meser tuangeun sapopoe. Abdi ngadu'a supados tiasa meunang gawean deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8440", "text": "Jalma bisa geuleuh ku bau hanyir pikeun sababaraha alesan. Sababaraha urang tiasa gaduh sensitipitas anu langkung ageung kana bau, anu tiasa memicu reaksi geuleuh. Hiji jalma tiasa ngalaman pangalaman goreng sapertos seueul atanapi kesel burih saatos ngambeu bau hanyir nalika murangkalih, anu tiasa memicu reaksi geuleuh kana bau di hareup. Hiji jalma tiasa gaduh phobia khusus, nyaeta kahariwang kaleuleuwihan ngeunaan bau hanyir. Bau hanyir tiasa janten tanda tina masalah kasehatan, sapertos infeksi atanapi karacunan, anu tiasa nyababkeun jijik jalma anu ngambeu. Hiji jalma meureun geus tumuwuh nepi di lingkungan dimana bau hanyir pakait sareng hal negatip, kayaning kabersihan goreng, sarta ieu bisa memicu reaksi geuleuh kana bau hanyir. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6915", "text": "msyarakat Indonesia, seeur hotel, restoran, jeung kantor anu tutup lantaran bangkrut. Teu sakedik oge pagawe anu diereunkeun sapihak lantaran pemasukan parusahaan teu cekap kanggo nutup gaji pagawe kahareupna. Salah sahiji nu beunang imbasna nyaeta bapa kuring sorangan. Bapa nembe pisan ngalih ka kantor ieu genep bulan kamari, bapa geus ngarep seeur pisan ti kantor ieu, tapi teu nyangka pisan tungtungna bapa di PHK lantaran bapa pagawe anyar keneh janten teu acan gaduh posisi sapertos karyawan tetap di kantor eta. Pas ngadangu kabar ti bapa, abdi langsung sedih lantaran abdi oge nembe asup kuliah, abdi neangan cara supados teu ngarepotkeun bapa, abdi nyobian daptar beasiswa supados bapa teu kedah mayar kuliah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1056", "text": "Pas diancam, urang ngarasa sieun jeung hariwang lantaran ngarasa terancam ku batur. Ancaman ieu mangrupa ancaman fisik jeung verbal, dua-duana nu nyebabkeun rasa kasieun jeung rasa hariwang nu serius. Ancaman fisik bisa mangrupa ancaman jang ngalakukeun kekerasan fisik atawa ngaruksak barang, jeung bisa nyieun urang ngarasa sieun rek kaluar imah atawa ngalakukeun aktivitas sapopoe. Ancaman verbal siga ancaman jang ngabocorkeun rahasia, nyebarkeun rumor, atawa nyieun reputasi jadi buruk, ieu nu nyebabkeun rasa sieun jeung hariwang. Urang oge ngarasa teu aman jeung teu bisa ngaprediksi atawa ngontrol situasi. Urang ngarasa teu apal naon nu bakal kajadian kaharuepna atawa naon nu bakal dilakukeun ku jelema nu ngancam. Hal ieu jadina ningkatkeun perasaan sieun jeung hariwang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6335", "text": "Hal-hal nu biasa nyebabkeun calana sobek teh nyaeta kahiji ukuran calana nu ngepas teuing, malahan mah kabilang merecet. Uuran calana nu pas teuing teh rentan pisan sobek sabab teu bebas jeung tebatas dina gerakan nana. Nu kadua nyaeta gerakan nu lincah teuing. Tah hal ieu ge bisa nyebabkeun calana sobek sabab gerakan anu ncah teuing, ngaleuwihan lebar calana, jadi we sobek. Nu katilu nyaeta bahan calana na ipis pisan. Tah, bahan calana nu ipis ge rentan sobek sabab kerapatan kaen na teh ipis, jadi babari pisan kana sobek teh, komo mun jahitan na oge asal-asalan, sakali kagusrud kana tihang nu garinjul ge pasti bakalan sobek.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6055", "text": "Harita teh kali mimitina Meli ulin ka Trans Studio Bandung. Meli ulinna sorangan make angkutan umum. Pas uihkeun, Meli ngahaja leumpang heula nyusur jalan bari jalan-jalan nuju ka halte bus. Eh eta keur leumpang teh jol aya nu nanyakeun alamat. Bapak-bapak make motor beat jeung make helm, jadi teu katempo beungeutna. Meli teh ngjawab teu apal we, teu terlalu menanggapi sabab teu wawuh. Tuluy Meli leumpang nyusuran trotoar. Eta bapak-bapak teh kalah hayoh we nuturkeun bari maksa nananyakeun alamat. Meli geus ngajawab teu apal, eh bapak-bapakna kalah nyorongot bari ngancam. Meli buru-buru we neangan tempat rame supaya teu dituturkeun. Eh angger we Meli dipantau ti kajauhan bari dituturkeun. Pas nepi ka pintu tukang Trans Studio, buru-buru we Meli asup kadinya supaya teu dituturkeun deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5212", "text": "Di Sunda mah aya salah sahiji budaya anu dilaksanakeun na mun aya lahiran atawa mun aya nu syukuran. Kabiasaan eta ngaranna mere beas. Tah mere beas teh mangrupakeun kagiatan merekeun beas ka imah tatangga nu anyar lahiran. Maksadna mah ngalongok orok jeung indungna bari mere beas sabagai simbol rasa syukur jeung mere sabab geus dibere kasalametan lahiran nana. Tah dina raraga mee beas ieu teh, tatangga oge lan mere kur beas hungkul, tapi nyecep ongkoh make duit. Hal ieu dimaksudkeun supaya orok nu anya lahir teh sing dilimpahan rezeki nu lancar dina kahirupan nana. Maknawi pisan kan kagiatan ieu? Mana nu urang Sunda, cung! Yuk ah lestarikeun ieu kabiasaan supaya bisa ngajalin silaturahmi ku cara nu saderhana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2129", "text": "Keur basa pun anak lahir jeung diberekun ka kuring, manehna nu dinamian ku abdi jeung istri nyaeta Sophie ceurik. Kapaksa kuring nahan kahayang ngagerem. Para perawat ngamandian anjeunna, ngurut anjeunna, sareng nunjukkeun kuring cara ngabungkus anjeunna. Kuring cicing di bangsal cukup lila. Oh, kuring malah poho ngeunaan pamajikan kuring. Para perawat ngajamin kuring bakal ngangkat Sophie nalika anjeunna siap. Kuring buru-buru ka kamar, jeung pamajikan kuring. Urang ngayakeun silih lila nguatkeun ka lalakon nu enke dihadapan bareng-bareng. Aya rarasaan campur aduk, sieun, kabungahan, lega, beuki hariwang, ragu, leuwih sieun, leuwih relief, canggung, emosi nu teu bisa diungkapkeun, leuwih kabagjaan, panyalindungan, kareueus, leuwih, asih , jeung adil alus kabagjaan salaku kolot.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5624", "text": "Abdi kamari reunian di sakola menengah. Reuinian ieu teh nembe diayakeun deui ti salila opat taun. Aps abdi datang ka reunian seueur pisan nu pangling penampilanna. Ai abdi nyalira mah ti baheula ge penampilan na angger, euweuh nu dirobah. Pas keur ngobrol soal pagawean, abdi mah bagean nyimak hungkul we da rumasa pagaweanna beda sorangan, jadi teu nyambung ngobrol ge. Tuluy aya babaturan abdi datang, mimiti na mah biasa ngobrol, pas ujung na jol ngomong soal fisik abdi, awak nu ngagendutan, jeung kulit nu ngahideungan. Abdi tidinya ngarasa kasinggung pisan. Jengkel pisan ngadanguna, abdi tuluy indit ti acara eta. Langsung balik ka imah bari jengkel keneh ka nu ngomong eta. Lruheung mun manehna ge geulis, ieu mah pan biasa wae sarua jeung abdi.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4462", "text": "Di unggal tempat komo tempat rame pikeun mamangkatan pasti aya wae patugas na, ka asup patugas kareta di stasiun. Aya loba rupa rupa posisi patugas di stasiun kareta eta, aya patugas tiket, patugas kabersihan jeung patugas kaamanan na. Harita urang manggihan ibu ibu anu geus kolot hulang huleng di stasiun sosoranganan siga anu binggung kitu. Teu lila aya patugas kaamanan anu ngadeuketan nanya keun ka ibu ibu eta, tapi ibu ibu eta kaciri na kalah ka siga anu ngambek nyarekan ka patugas kaamanan na. Nyarekan nana oge tarik pisan, hingga batur jadi ningalikeun. Nyarekan na teh puguh naon anu di omongkeuna, siga na mah ibu ibu eta emang keur gering linglung kitu, teu lila ti dinya eta ibu ibu di bawa heula di aman keun ku patugas.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4389", "text": "Dimana mana oge kasih ibu sapanjang masa, indung teh bener bener jadi palindung mimiti keur budakna. Lmaun fisik budak na di hina jelas indung na moal tarima, ieu oge nu di lakukeun ku Mantan pamajikan Daus Mini, Yunita Lestari, Yunita ngadadak ambek dina akun TikTokna. Ieu dimimitian ku eusi pideo nalika anjeunna nunjukkeun poto anak kaduana, Abyan Ravindra, anu anjeunna ngaku sering nyababkeun tekanan darah tinggi. Unggahan video Yunita ternyata menarik perhatian netizen untuk berkomentar. Salah sahijina nyaeta akun milik awewe nu ngaranna Desti. Kesel ku hujatan anu ditarajangkeun ka anakna, pamajikan Haney Ariska Febrianto langsung nyoba-nyoba neangan pikeun manggihan jatidiri awewe nu sabenerna. Najan kitu, manehna sabenerna reuwas sabab anu matak ngahujat teh pamajikanana abdi negara nyaeta polisi. Ngaliwatan akun TikTokna, Yunita siga nu teu bisa nahan rasa keuheulna waktu nyaho anakna dihujat. Anjeunna malah nyebut awewe nu teu wijaksana maen media sosial. Dina kasus ieu jadi loba anu miluan nyerang Desti, tapi kasus ieu teu nepi ka jalur hukum kusabab desti geus menta maaf.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5698", "text": "Abdi paling ngewa mun ningali babaturan cepu jeung cari muka dihareupeun nu lain. Biasana dina organisasi atawa tempat gawe sok aya wae nu kitu teh, hareupeun mah alus, tukangeun mah nyuntrungkeun. Model dina pagawean ge, batur mah ngagawean loba jeung valid, manehna mah ngagawean saeutik bari ngasal, tapi mun hasilna alus pasti ngagul-ngagul diri sorangan jeung kinerja sorangan. Saolah nanaon teh digawean ku manehna sorangan. Tuluy kalakuan na teh sok cari muka wae ka atasan, bari jeung euweuhan kamampuan na mah. Kesel pisan meuni wani nyuntrungkeun babaturan sorangan demi kauntungan pribadi. Bae da jalma nu kitu mah moal meunang kabagjaan nepi ka iraha wae ge.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "720", "text": "Urang mimiti bobogohan teh keur SD, inget keneh baheula mah sok make surat tuluy dititipkeun ka babaturan nu deukeut jeung manehanana, da lamun diberekeun langsung mah sok era jeung sieun kanyahoan guru. Lamun zaman ayeuna mah babari tinggal ngaliwatan WhatsApp. Hiji waktu urang dibejaan ku babaturan, manehna ninggali kabogoh urang keur jeung si Andi cenah mah jajan bareng. Urang teu langsung ngadatangan tapi ku urang dibere surat heula mastikeun yen euweuh hubungan nanaon manehna jeung si Andi. Tapi manehna kalakah ngaku sorangan, cenah mah si Andi bageur sok ngajajanan tibatan urang mah tara. Geus nyaho kitu isukna urang ngadatangan bari nyarekan naon maksudna maneh salingkuh ditukangeun urang, mun urang teu dibere nyaho ku babaturan mah meureunan tuluy weh teu mere nyaho urang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9164", "text": "Deukeut imah kuring teh loba ucing liar nu sok datang, sakapeung mah kuring atawa sakulawarga remen méré dahareun, saperti tulang hayam, atawa lauk sésa. Tah, tapi hiji waktu kuring ngarasa keuheul pisan kusabab ucing-ucingna, sabab harita kuring buru-buru indit ka tempat gawe, tapi pas naek motor, kuring ujug-ujug ngambeu bau tai ucing. Sareng kuring milarian sumber bau, nalika kuring ningali éta, tétéla éta kotoran ucing aya di handapeun motor kuring sareng kuring geus nincak eta tai. Pedah ku keuheul kuring gura-giru asup deui ka imah ganti baju anu dikotor ku tai ucing, maksakeun gura-giru ngabersihkeun motor anu aya kokotorna ku cara nyiramkeun cai sabun, padahal kuring ngarasa jijik.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6003", "text": "Dina waktu mendekati pelaksanaan operasi, urang kedah bener-bener ngajaga kasehatan mental jeung fisik supaya operasina bisa berjalan lancar. Sagala rupa teh kedah diatur, mimiti tina pola makan, pola tidur, intensitas aktivitas, jeung sajabana. Ulah nepi ka ngalakukeun larangan samemeh operasi sabab bisa nimbulkeun efek pasca operasina engke. Mantak, samemeh ngalaksanakeun operasi teh kedah pisan ngajaga kasehatan utamana mental jiga laukeun olahraga ringan, lobakeun positif thinking, lobakeun nonton hiburan, jeung sajabana supaya bisa ngajaga mental. Ulah nepi ka stress sabab mikiran operasi, tenang we da nanaonna ge pasti sasuai jeung prosedur. Jadi, yuk lobakeun hiburan supa bisa ngajaga mental samemeh operasi!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8929", "text": "Nalika kuring leutik, kuring ngagaduhan kajadian anu nyababkeun kuring trauma dugi ka ayeuna. Waktu keur leutik mah kuring teh sok ulin borgol boongan jeung dulur-dulur. Anjeunna nempatkeun eta cocooan dina leungeun kuring, tapi masangna tarik teuing. Tadina mah geus biasa, tapi pas dicobaan dibuka, eta cocooan teh teu bisa dibuka lantaran pageuh pisan. Kuring lumpat ka indung kuring sarta ménta dibuka. Tétéla, indung kuring ogé teu bisa muka, eta cocooan teh pageuh teuing masangna. Indung kuring ngajak kuring ka kamar mandi, nuang sabun cair kana leungeun kuring supados leueur sareng borgolna gampang dibuka, tapi henteu lepas oge éta borgol teh. Tungtungna indung kuring nelepon bapa kuring, sarta bapa kuring motong éta borgol kalawan ragaji leutik. Ti saprak harita kuring teu hayang ulin borgol deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6054", "text": "Nuju di jalan bade milarian masjid, Yuna lebet ka gang sisieun bank Mandiri nu aya di sakitaran tempat nungguan busna. Yuna asup ka gang eta tuluy ngalaksanakeun sholat di masjid. Beres ngalaksanakeun sholat, di masjid teh teu aya jalmi hiji-hiji acan, sepi kecuali anjeunna. Yuna tuluy we buru-buru ka jalan raya deui. Di pertengahan lorong gang, Yuna pasalingsingan jeung bapak-bapak. Eh jol we eta si bapak na teh nuturkeun Yuna bari nyauran wae \"Neng\". Pas Yuna ngalieuk, si bapak na teh bade noel leungeun Yuna. Untung kaburu ngahindar, jadi leungeun Yuna teu beunanh dicabak. Yuna meuni sasah pisan sabab sieun, tuluy indit we ka tempat nu rame.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6342", "text": "Hitut di tempat umum teh jadi hal nu paling ngerakeun pisan. Mantakna, laukeun tilu hal ieu supaya teu kaeraan di tempat umum. Nu kahiji, teangan tempat sepi atawa toilet jang hitut, mun bisa mah tempat sepi nu teu diliwatan ku jelema. Nu kadua nyaeta kaluarkeun hitut lalaunan, atur supaya sorana jeung bauna teh teu ngaganggu batur, bisa bari diuk dina korsi supaya teu modos bauna ka mana-mana. Nu katilu nyaeta tahan hitut di hareupeun loba jelema, supaya teu kaeraan sorangan. Mun geus euweuh jelema atawa mun geus saeutik, tinggal hitutkeun da moal ngaganggu kanu lobaan iyeuh. Malahan mah alusna hitut teh tong ditahan, jadi hitutkeun we di hareupeun sasaha ge.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5959", "text": "Biasana mun geus ditembongan ku jurig mah ceunah bakal meunang rezeki nu teu disangka-sangka. Pernah hiji carita aya tukang bakso diudag ku sosok pocong nepi ka hareupeun imahna, tapi isukanna tiba-tiba baksona laris manis ti biasana. Nu biasa beak peuting teh ieu mah karek sajam muka geus beak deui wae. Tuluy oge aya rezeki nu datang teu disangka-sangka. Tah hal ieu teh geus loba kajadian nu dialaman ku loba jalma. Kusabab faktor kabetulan tea, meureunan jadi mitos nu dipercaya dina kaayaan nana ku sabagean besar manusa. Malahan mah sok aya nu nepi ka birat diuudag na teh, tapi bener we sok kabuktian meunang kaberkahan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5603", "text": "Poe ulang taun biasana diarep-arep pisan ku sabagean besar manusa. Sabab ieu teh hiji-hijina momen sataun sakali nu ngingetan umurna. Biasana mun poe ulang taun teh sok ngarepkeun hal nu spesial, arek ti diri sorangan arek ti batur nu deukeut. Ngan dina poe ulang taun teh sok ngarepkein ayana nu mere hadiah. Sabab hadiah dianggap bentuk kanyaah jeung kainget kanu ulang taun. Mantak, mun aya kulawarga atawa babaturan nu ulang taun, sabisa mungkin minimal ngucapkeun sslamat, sabab eta nu mantak atoheunna. Lain masalah hadiah nu diberekeun, tapi ku kaingetna kana poe lahir. Yuk ah biasakeun ngucapkeun selamat jeung apresiasi nu ulang taun!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "275", "text": "Di jaman ayeuna pasti hayang eksis, bisa foto jeung artis nu diidolakeun pasti bisa jadi impian loba jelema. Ngameh bisa foto jeung artis carana kudu ngahadiran pas di acara premier film, sabab biasana salian ti para pemeran film, artis-artis oge loba nu diondang jang miluan nonton premier. Tuluy bisa nyobaan make aksesories maranehanana, bisa make kaos nu aya foto artisna. Bisa oge mawa tongkat selfie, ngarang jangkauan kamerana jadi leuwih lega. Jadi sanajan teu nangtung di deukeut manehna, lamun make tongsis masih bisa katangkap make kamera. Bisa oge gabung pas keur di kaayaan rame, sabab loba artis atawa penyanyi nu resep foto pas manehna keur manggung tuluy kerumunan penonton jadi latarna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2464", "text": "Jadi basa keur SD mah birit. Beuteung mah nyeri pisan lamun buang air besar. Sakitu kesang tiis. Indung kuring nu teu tega ningali kuring ceurik kanyenyerian, isukna langsung dibawa ka rumah sakit. Di rumah sakit beuteung kuring di-rontgen. Saparantos rengse, dokter nerangkeun aya batu atanapi anu sapertos kitu dina beuteung abdi sareng langsung dihukum usus buntu sahingga cenah kedah dioperasi sagancangna. Kuring henteu terang naha, saatos éta indung kuring nyandak kuring ka rumah sakit sanés. Tapi kusabab Askes teu bisa nutupan biaya di rumah sakit sejen, indung kuring dibawa balik ka rumah sakit munggaran. Di dinya kuring dipariksa deui ku dokter nu béda. Sareng kabuktian... Abdi henteu ngagaduhan usus buntu sareng henteu aya batu atanapi naon waé anu diomongkeun ku dokter tadi isuk. Ceuk dokter ieu mah, nyeri beuteung mah ngan efek maag. Janten kuring ngabatalkeun operasi. Coba mun teu di parios ku dokter lain, meureun peujit mah geus buru-buru dipotong :') Ayeuna kuring nembé terang yén panyakit kuring nyaéta sindrom irritable bowel (IBS). Akhir-akhir ieu, sering kambuh nalika kuring salah tuang atanapi nalika kuring setrés.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1360", "text": "Sanajan ngarasa geuleuh tapi ngaberesihkeun kotoran hewan anu bener tetep penting jang ngajaga kasehatan jeung kaberesihan lingkungan. Aya sababaraha cara jang ngaberesihkeun kotoran hewan nu bener sanajan geuleuh oge. Nu kahiji gunakeun sarung tangan karet jang ngalindungi leungeun tina kontak langsung jeung kotoran hewan. Nu kadua gunakeun kertas koran atawa kantor plastik jang ngangkat kotoran hewan jeung ulah nyabak ku leungeun sacara langsung. Nu katilu gunakeun sabun jeung cai jang ngaberesihkeunna. Nu ka opat pastikeun geus miceun kertas koran atawa plastik nu geus digunakeun tadi ka tempat sampah. Saenggeus rengse ngaberesihkeun kotoran hewan, pastikeun jang ngumbah leungeun ku sabun jeung cai anu beresih.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2206", "text": "2013 abdi lulus ti SMA. Kenging ondangan ditampi di salah sahiji kampus swasta di Kota B. Ti SMP sim kuring cita-cita hoyong lebet ka PTN di Bogor, margi rumaos jurusan anu dicandak ku pun biang parantos diarahkeun ku bapa dugi ka damel engke. Tétéla nasib geus kersa, kuring meunang jalur ondangan prestasi tapi D3 di PTN Bogor anu dipikahoyong. Halangan anu lumangsung nyaéta idin ti kolot kuring anu teu ngidinan kuring diajar di luar kota, ahirna kuring kaluar tina rasa frustasi kuring kalayan henteu ngadaptar di PTN / swasta mana wae. Nepi ka ahirna kuring dipaksa asup ka Univ di kota sorangan. Jujur, kuring ninggalkeun satengah haté jeung horéam. Pilihan kahiji anu kuring candak nyaéta Program Studi Agribisnis Pertanian, pilihan kadua nyaéta Politik Sosial. Abdi katampi janten pilihan kahiji kalayan ujian, tina 200 urang anu katampi, abdi rengking 20 luhur. Nepi ka ahirna kuring dicabut, sabab kuring teu ngadaptar deui. Kuring jempé, teu bébéja ka kolot. Nepi ka ahirna kolotna manggihan sarta pohara kuciwa. Bentuk kuciwa maranéhanana ku teu nyewot jeung teu padulid nalika kuring ngabejaan bebeneran.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4378", "text": "Kabudayaan ngantri di Indonesia masih keneh jadi masalah serius anu nepi ka ayeuna tacan direngsekeun. Urang bisa ningali ieu dina sababaraha waktos, khususna di fasilitas umum, sapaperti jamban, SPBU, loket karcis, sareng loba deui. Sanajan kadenge sepele, dina kanyataanana teu saeutik jalma nu leuwih milih norobos tibatan kudu sabar ngantri. Kabiasaan sok norobos ieu teh anu sok jai masalah jeung jieun kaributan. Jelema anu geus lila antri pasti nya ambek lamun sangeunah na di sorobot. Eta teh sarua jeung eweuh etika jeung sopan santun. Sabagé conto pasualan prihatin ngeunaan antrian, nya eta lobana jalma anu cilaka malah maot nalika ngabagikeun zakat, sembako atawa bantuan sosial sejenna ka jalma miskin. Saolah-olah duit anu ngan puluhan rebu rupiah sarua jeung resiko atawa riungan jalma anu teu tartib jeung ngajajar. Sanajan geus dipasang pager beusi atawa panghalang sejenna, masih keneh aya anu ngalanggar antrian anu geus ditangtukeun ku panitia.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2160", "text": "Kuring aya dina titik dimana kuring ngarasa gagal sareng sadaya anu kuring laksanakeun ngan ukur sia-sia, waktos éta, sakitar 4 sasih kapengker, kuring salah sahiji calon peserta pasanggiri Kabupatén/Kota. Guru kuring ngumumkeun yén bakal aya seleksi tingkat sakola pikeun nyokot 3 urang nu skor pangluhurna. Ngadéngé kitu, tangtu kuring langsung nalungtik naon nu bakal kaluar dina mangsa seleksi engké. Métode diajar kuring henteu intensif, tapi sacara kasarna, kuring parantos \"ngrasakeun\" jinis-jinis patarosan anu paling dipikaresep bakal aya dina pamilihan. Sanajan kitu, kanyataanana kasar pencét kuring. Abdi kaluar tina 3 luhur pikeun ngawakilan sakola dina éta lomba. Rengking kuring leres-leres turun, bahkan henteu dina 5 luhur. Haté remuk, harepan sangkan reueus kolot ancur. Di imah kuring ceurik teu kaampeuh, kuring ngarasa sagala usaha kuring sia-sia. Kuring éta bener frustasi nepi ka kuring nyieun kasalahan fatal; cangcaya kana kakawasaan Allah jeung nungtut kaadilan ka Anjeunna. hal eta kaasuf kufur massyaallah sampe dititik eta abdi istigfar meruenan iyeu teguran yen urang teh adigung pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6033", "text": "Ngaranna ge jalma hirup, pasti teu luput tina dosa jeung kasalahan. Dina ajaran Islam, aya sahiji cara nu bisa ditempuh dina ngamohon pangampunan dosa, nyaeta ku sholat taubat. Manusa hirup di dunia teh pasti loba dosa jeung kasalahan nu disangaja jeung teu disangaja. Biasana oge sok teu karasa ngalakukeun dosa teh. Malahan nu paling ngerikeun nyaeta dosa jariyah nu ngocor salila hirup jeung ke jaga di alam salajengna. Tah, supaya bisa ngamohon ampunan, geuraan sholat taubat. Taubat sing bener-benee ka Gusti Allah supaya bisa dibukakeun pintu taubatna. Ulah hilap dina sagala lampah kedah eling. Hayu urang biasakeun shokat taubat supaya senantiasa selalu diampuni.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9167", "text": "Kapungkur, nalika imah kuring teu acan pindah ka imah nu ayeuna, kuring sering mendakan tai beurit. Imah nu baheula geus kolot, jadi loba beurit di dinya. Waktu éta kuring keur nyeuseuh baju dina mesin cuci, bau pisan di tukangeun mesin cuci teh. Tungtungna kuring menta tulung ka bapana ningalian aya naon balik mesin cuci teh. Tétéla loba tai beurit, aya cikiih aya ogé taina. Jijik pisan harita teh dugi ka hoyong utah, janten bapa kuring ngabersihkeun sadaya kokotor. Sanggeus beberesih, kuring terus nyeuseuh baju deui. Tapi saminggu saterusna bau deui, bener weh aya tai beurit deui. Ceuk Bapa, kokotorna bakal aya wae saban waktu lamun beuritna teu katéwak. Sangkan bapa meuli sababaraha lem beurit, sarta ditunda di sabudeureun mesin cuci. Isukna tétéla aya tilu beurit anu katéwak langsung teras dibuang ku bapa.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "749", "text": "Di kota mindeng banjir mun hujan teh, jadi pengendara motor biasana loba nu caricing di tengah jalan lantaran sieun motorna mogok mun kakeueum ku cai. Biasana ieu oge nu nyebabkeun macet anu kuduna bisa dipake dua jalur, jadi sajalur. Alusna mah motor teh mun moal ngaliwat mending oge ka sisi eureunna, ulah di tengah-tengah kitu nu ngajadikeun macet. Sakirana nungguan banjirna rada surut, mending oge ka sisi atawa leuwih alus deui neangan jalan sejen mun keur buru-buru mah. Meh anu make mobil nu sabenerna bisa ngaliwatan jadi tersendat sabab loba nu caricing di tengah jalan. Komo deui nu parkir di tengah jalan, ulah weh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5932", "text": "Mun ka mana-mana teh kudu aya baturna, tong sosoranganan. Mun aya batur na mah kan mun manggih bahaya teh aya nu mangnyahokeun jeung aya nu nulungan. Komo usum susah kieu mah begal teh ngahalalkeun sagala cara jang neangan kabutuh. Komo mun awewe mah, kudu pisan aya nu ngabaturan sabab bisi didodoho di jalan. Salila berkendara oge kudu sing waspada kana kaayaan sakitar, tingal kenca katuhu bisi aya kandaraan nu ngabuntut terus ngabegal di jalan nu sepi. Siapkeun oge mental mun rek berkendara jah, sabab bisi terjadi hal-hal nu teu dipikayang. Jadi, ku kituna, yuk urang leuwih waspada jeung siaga deui dina perjalanan teh, supaya dijauhkeun tina sagala hambatan!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4697", "text": "Lamun urang jadi jelema anu bageus anu nurut ceuk kolot urang teu kudu sieun bakal di carekan ku kolot, kolot nyarekan teh pasti aya kusabab na lamun urang bageur teu salah piraku kolot ujug ujug nyarekan. Cara sangkan teu di carekan ku kolot nyaeta mimiti kudu nurutkeun ceuk naon parentah kolot, ulah ngalawan jeung kud carita lamun rek nanaon ka kolot, kusabab lobamasalah anu ngajadikeun kolot nyarekan tej kusababab kolot salah paham, maksud urang jeung kolot teh beda, urang hayang na kieu jeung kolot hayang na kitu, tuntungna mah teu panggih jeung bakal ngajadikeun masalah. Biasana tina hiji maslah ieu bisa ngalobaan jeung nuluy ka masalah sejen, matak saling terbuka jeung saling ngartikeun antara kolot jeung anak teh penting pisan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8932", "text": "Di hiji kampus, keur lumangsung kelas peuting, waktu dosen asup ka kelas, hawa karasa aneh. Waktu kelas geus satengah jam, ujug-ujug aya pesen ka Risky salaku ketua kelas, pesen ti dosen anu keur ngajar, cenah teu bisa hadir ngajar lantaran keur ka luar kota. Risky tuluy ngabaran ka grup kelas, sadayana bingung sareng sieun, saha jalma anu di payuneun aranjeunna ngajar ayeuna? Risky hayang mastikeun yén dosen nu aya di hareupeunana téh manusa atawa lain ku cara ngalungkeun pulpénna kana lantai. Sabot nyokot pulpénna, manéhna melong ka dosen éta, tétéla éta dosen téh euweuh suku alias ngambang. Risky reuwas jeung langsung mere nyaho ka babaturanana via group chat supaya ninggalkeun kelas hiji-hiji ameh dosen teu curiga. Pang akhirna Risky, nalika pamitan, Risky nyarios, \"Tipayun pak.\", dosen eta ngajawab, \"Tipayun atanapi tos terang?\". Risky kacida reuwasna, manehna langsung kaluar ti kelas bari lumpat nyampeurkeun babaturanana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7593", "text": "Lantaran aya kagiatan di kampus ti isuk keneh, abdi kedah angkat ti imah oge kedah subuh pisan, pas di luar poek keneh. Abdi langsung angkat ti tabuh lima kirang. Jalanan masih keneh sepi, teu seeur jalmi, warung-warung oge teu acan muka, ojek oge teu aya. Di tengah jalan anu sepi eta abdi mapah rada gancang lantaran tiris jeung supados gancang nepi ka sisi jalan. Di sajajalaneun abdi sieun pedah ngarasa aya nu nuturkeun sabab abdi ngadangu sora lengkah, abdi ngahaja mapah rada laun supados manehna tiasa nyusul kuring, tapi manehna kalahkah miluan laun oge.Pas abdi jalanna rada gancang manehna oge miluan gancang. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9532", "text": "Lulus ujian mangrupikeun hal anu paling pikabungaheun anu kantos urang alaman. Ieu sababaraha cara anu tiasa laksanakeun pikeun ngahontal kasuksesan dina ngalaksanakeun ujian sangkan ngarasa bagja. Kahiji, mimitian ku nyieun rencana diajar anu ditangtoskeun. Setel tujuan diajar anjeun, jieun jadwal diajar anu realistis, sareng pastikeun pikeun prioritas mata pelajaran anu langkung hese. Salajengna, milarian tempat diajar anu nyaman sareng sepi. Pilih tempat anu henteu rame teuing atanapi sepi teuing, sareng henteu kaganggu ku faktor eksternal sapertos sora atanapi bau. Lajeng, diajar ku cara anu efektif. Anggo metode diajar anu cocok sareng kapribadian anjeun, sapertos diajar mandiri, diskusi sareng babaturan, atanapi ngiringan les di lembaga bimbingan belajar. Tong hilap teras mandang positip ngeunaan ujian. Entong sieun atanapi hariwang teuing ngeunaan ujian, sabab eta tiasa ngaganggu diajar anjeun. Teras pigawe soal latihan. Teangan soal latihan anu luyu jeung materi anu rek diujikeun, tuluy garap kalawan serius. Soal latihan tiasa ngabantosan anjeun ngartos materi anu bade diujiankeun, oge ningkatkeun kapercayaan anjeun nalika nyanghareupan ujian. Lamun ngarasa cape, geura istirahat. Tong maksakeun diri diajar terus-terusan, sabab kacapean tiasa ngirangan konsentrasi sareng tiasa janten pangaruh anu negatif kana hasil diajar. Ku ngalaksanakeun metodeu di luhur, anjeun tiasa ningkatkeun kasempetan pikeun lulus ujian sareng ngaraosan kabagjaan. Tong hilap ikhtiar sareng ngadoa supados hasil anu dipiharep tiasa kawujud.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1401", "text": "Samemeh balik ngaji biasana mah sok diayakeun sholat berjamaah. Harita sholat kawas biasana, tapi pas keur tahiyat akhir, ujug-ujug aya anu kaluar melepes. Teu kahaja hitut padahal mah teu keur hayang, ngan pedah ka teken jadina kaluar sorangan. Urang langsung lumpat ngabatalkeun sholat, urang langsung balik ka imah embung dilanjutkeun sholat di masigit. Isukna urang embung miluan ngaji ku sabab era ku babaturan, pasti bakal diungkit-ungkit jeung diera-era. Jadi urang teu ngaji saminggu teh susuganan babaturan ngaji bakal pohoeun kana peristiwa eta. Tapi nyatana mah henteu, kalakah diseungseurikeun jeung dikekeak. Urang narimakeun sanajan era-era oge da sairing waktu pasti bakal parohoeun. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8532", "text": "Lamun batur boga hutang beurat, aranjeunna biasana ngarasa rupa-rupa parasaan negatip. Eta bisa ngarasa jengkel sorangan pikeun nyieun kaputusan salah jeung incurring hutang beurat. Maranehna bisa jadi hariwang ngeunaan kumaha maranehna bakal mayar hutang jeung naon nu bakal kajadian lamun teu bisa. Eta panginten seueur setres sareng tekenan mikiran hutangna sareng kumaha aranjeunna bade mayar tagihanana. Maranehna bisa ngarasa era pisan sabab teu bisa mayar hutang jeung ngarasa teu bisa nampilkeun diri kalayan bener di hareupeun batur. Eta bisa ngarasa ambek dina sistem finansial atawa jalma anu mere hutang maranehanana. Eta meureun ngarasa asa teu nyaho kumaha carana ngajawab masalah hutang maranehanana.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7807", "text": "Kamar cai sekre di kampus kuring teh salah sahiji anu pang kotorna anu pernah kuring anggo. Aya hiji kamar cai anu mangpet nyaeta kamar cai anu di juru, lamun aya nu teu kahaja make kamar cai eta pasti bakal ninggalkeun kotoran dina lobang wc. Salila eta tai ngambang jeung hangseurna nyembeu dina lobang, pasti moal aya jalmi anu daek ngaberesihan lantaran bauna teu kiat pisan, abdi oge nulis ieu sabari kabayang bauna kumaha. Bakating ku bauna eta kamar cai, lamun urang ngaliwat di hareupeun kamar cai eta sanajan teu asup oge pasti bakal kaambeu bauna. Komo di sisi kamar cai teh aya wadah runtah badag. Beuki weh bau. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2199", "text": "Gagal kawin nu kadua: caritana Teu kanyahoan, Mamah nelepon ka mantan. Anjeunna ningali kuring ngaco ngeunaan sataun saatos putus. Pokna téh Mamah jangji rék ngabujuk sangkan nuturkeun kahayangna. Ahirna mantan kuring ngahubungi deui. Ngeunaan 2 bulan komunikasi sengit, urang balik deui. Tapi ti mimiti kuring ngomong, kuring hayang datang deui lamun manéhna serius ngeunaan nikah jeung Mamah hirup jeung kulawarga anyar urang someday. Manéhna nyebutkeun siap. Kulawarga panjangna disawalakeun deui. Waktos ieu parantos dugi ka tahap ngabahas ngeunaan mas kawin sareng ngawitan nangtukeun acara numutkeun adat sunda. Hiji waktu, mun teu salah, poé Saptu isuk-isuk, kuring kadéngé Mama ngobrol dina hapé, \"Sabar atuh nya neng, teu acan aya kasempetan ngobrol sareng Junet. Mamah kena badé ngobrol sareng anjeunna lalaunan. Mamah siap hirup nyalira salami junet jeung eneng tiasa nikah..Pangorbanan indung jang kuring etateh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6063", "text": "Mun keur di imah sorangan teh sok asa sagala karasa sieun. Komo deui lamun di deukeut imah aya nu anyar maot mah sok keueung sagalana teh. Mun rek sare teh sok aya sora ngoletrak, padahal euweuh sasaha. Mun rek ka wc ge sok asa aya bayangan hideung nu nuturkeun, padahal euweuh sasaha. Mun keur sare ge sok kahudangkeun sabab aya sora sagala rupa, lengkah suku, sora kekeletrekan, jeung sajabana. Padahal pas ditoong teh euweuh jelema atawa ucing. Jadi sok asa rarasaeun mun rek lumampah atawa sare teh. Mantak, mun di imah sorangan teh mending nitah dulur ngendong ngabaturan, supaya aya batur pakumaha mun ngendong teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6852", "text": "Abdi mineng pisan miluan kagiatan talkshow atawa webinar di kampus. Salila kagiatan abdi oge teu jarang naros sababaraha pertanyaan jeung ngajawab patarosan. Seeur pisan kagiatan anu masihan hadiah kanggo peserta na. Basa nuju aya acara ulang taun di Universitas, seeur pisan kagiatan anu masih hadiah kanggo persertana. Aya hadiah dispenser, vocher kanggo balanja, tas, buku, botol kanggo nginum, jeung sajabana. Tapi aya hiji hadiah utama, nyaeta hadiah sapeda lipet. Pas diumumkeun saha anu meunangna abdi reuwas lantaran rerencangan sakelas kuring meunang hadiah sapedah lipet. Manehna bungah pisan sabari mapah ka hareup narima hadiah teras dipoto. Bali=-balik manehna mawa sapeda kana angkot.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2057", "text": "Baheula pernah nabung jang jam nu biasana mah 200 rebu, jaman Mi Band 3 masih trend. Mi band 4 teu acan aya. Duh teu aya invoice margi abdi ngagaleuh ti rerencangan anu juara lomba 17an. Mimitina kuring meuli eta sabab kuring teu hayang ngan make Mi Band, sabab pasar bener alus. Ti lalaki hayam goreng nepi ka mahasiswa, aranjeunna ngagunakeun eta, jadi Honor Band 3 patut dibeuli. Kuring ogé resep bentukna. Ahéng, tali karét karasaeun saé dina panangan. Luhureun mi band 3 saeutik. Kalayan bentuk layar anu langkung ageung. Tapi anu teu disangka-sangka nyaéta éta seneg pisan bisa nabung jang jam iyeu teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5688", "text": "Di Indonesia, isu agama jadi salah sahiji hal anu sensitif pisan mun dibahas. Kaberagaman agama nu kuduna jadi salah sahiji kakayaan, sabab aya oknum nu teu bertanggung jawab, malah jadi persoalan nu loba dibahas ku masyarakat. Dampakna teh luar biasa gedena. Bentuk toleransi teh kalah robah jadi bentuk kasensitifan nu seukeut pisan. Padahal, sapatutna toleransi teh kudu ditanamkeun supaya kacipta kaharmonisan. Tong nepi ka kalah jadi pertikaian sadudulur. Agama Islam nu mangrupakeun agama mayoritas jadi salah sahiji alat nu sering diadukeun ku oknum teu tanggung jawab. Padahal nyatana mah kahirupan antarumat beragama di Indonesia teh saling toleransi pisan, ngan diadukeun ku oknum tertentu jadi nepi ka sensirif jiga ayeuna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2930", "text": "Hiji poé kuring meunang tugas ngainventarisasi peralatan IT di kantor. Inpormasi anu gancang pikeun netelakeun, kuring damel di kantor tingkat kabupaten, tingkat di luhur nyaéta propinsi, sareng pusatna di luhur. Tah, tugas inventarisasi teh ti pusat, diteruskeun ka propinsi, terus diteruskeun deui ka kabupaten, dina hal ieu mah staf IT.\r\n\r\nUpami kuring henteu émut, kuring dibéré 5 dinten kanggo ngaréngsékeun ieu tugas. Jigana éta wajar, sabab aya rada loba alat nu kudu dipariksa sarta aya ogé loba widang nu kudu dieusian dina tabél. Kusabab kuring henteu ngagaduhan padamelan sanés waktos éta, kuring ngan ukur ngalakukeunana.\r\n\r\nPoé katilu, ujug-ujug kuring ditelepon ku kapala kantor. Asup ka kamar, ekspresina siga nu keur ambek (muhun, unggal poe sok kitu, haha). Anjeunna nyodorkeun telepon sélulérna ka kuring, dimana anjeun tiasa ningali daptar kabupaten anu henteu acan ngalebetkeun laporan inventaris peralatan IT. Kakantor mah kalebet tangtos, margi teu acan rengse didamelna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2932", "text": "Biasana ngarasa sieun, tina sieun kaleungitan batur anu anjeun dipikacinta atanapi ngan ukur ningali pilem horor. Sieun mangrupa bagian tina naluri manusa pikeun salamet, tapi lamun kaleuleuwihi ogé bisa boga dampak negatif. Nanging, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kasieun anu kaleuleuwihan.\n1. Pikir leuwih positif\nNalika anjeun sieun kaleuleuwihan, éta condong ngajantenkeun anjeun langkung pesimis nalika nyanghareupan sagala rupa hal. Aya salawasna pikiran négatip nu haunt anjeun, malah saméméh anjeun masihan diri kasempetan pikeun nyobaan.\n2. Bayangkeun hal awon anu bisa lumangsung\nCoba pikirkeun anu paling awon anu mungkin kajadian.\n3. Narima kanyataanana\nNarima bebeneran bakal ngagampangkeun ngarasa tenang sareng langkung siap nyanghareupan kasieun anjeun. Ku sabab éta penting pikeun émut yén hal-hal goréng lumangsung sacara alami sareng terang yén henteu sadayana di dunya ieu aya dina kendali anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "347", "text": "Kasalahan-kasalahan nu bisa nyebabkeun proses pendaftaran kahambat jeung nyebabkeun gagal asup ka paguron luhur. Nu kahiji, nunda daftar. Tenggat waktu pendaftaran LTMPT, SNMPTN, UTBK, jeung selseksi asup paguron luhur rata-rata mibogaan waktu panjang, nyaeta dua mingguan atawa leuwih. Tapi durasi eta nu nyebabkeun siswa akhirna nunda-nunda jang daftar nepikeun ka tenggat waktu pendafataran tiba. Lamun kitu biasana serverna sok down sabab loba nu ngakses. Nu kadua, mimilu milih program studi jeung kampus. Urang geus kudu apal bidang naon nu ku urang hayang ti awal keneh. Sabab bakal nentukeun kahareupna bakal kumaha ngajalanan perkuliahan, kaasup arah masa depan nu bakal dijalanan. Nu katilu, mikirkeun lokasi kuliah, padahal di mana wae ge alus, komo deui lamun ngarantau bisa ngasah kamampuan hirup nu bakal dibutuhkeun pisan pas asup dunia gawe engkena, tapi ieu ge kumaha jelemana. Da teu kabeh jelema mandiri.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1411", "text": "Salah ngageroan ngaran batur teh mangrupakeun kasalahan nu bisa nyebabkeun rasa era pisan. Rasa era ieu muncul ku sabab jelema nu ku urang geroan teh bisa ngarasa diabaikeun atawa teu dihargaan ku urang nu ngalakukeun kasalahan eta. Salian eta, kasalaham kawas kieu oge bisa nimbulkeun kesan kurang profesional, kurang sopan, jeung kurang percaya diri. Lamun dina konteks profesional, kasalahan ngageroan batur bisa mangaruhan hubungan jeung reputasi di antara babaturan gawe jeung pingpinan. Salian eta, kasalahan ngageroan batur bisa mangaruhan kesan mimiti batur ka urang, jadina bisa mangaruhan kesempatan jang meunangkeun promosi atawa peluang bisnis nu leuwih alus. Kasalahan ngageroan ngaran batur bari salah oge bisa mangaruhan hubungan sosial.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "739", "text": "Kasalahpahaman bisa kajadian ka saha wae jeung di mana wae, kaasup pas keur di sakolaan. Pedah urang poho mawa barang jang gawe bareng jeung kelompok urang kalakah diteunggeul ku babaturan sorangan. Padahal mah ulah langsung maen hakim sorangan, tanya heula jelemana naha bet bisa poho, tuluy solusi naon nu bisa dicokot ngarah barang nu tinggaleun bisa dibawa. Mun langsung maen hakim sorangan mah urang oge teu narima komo langsung neunggel kana awak. Anu tungtungna mah saprak ti eta, embung deui gawe bareng kelompok jeung manehanana. Nepi parea-rea omong di kelas, padahal mah bisa ku cara-cara anu lembut jeung teu make kekerasan. Sabab eta kurang hade, komo dilakukeunna teh di lingkungan sakolaan. Poho mah manusiawi.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7871", "text": "Di jaman ayeuna mah lamun meser acuk tos gampil pisan lantaran aya seeur pilihan. Urang tiasa meser acuk di pasar, di toko, atawa di online shop. Di online shop urang tiasa milih seur acuk anu mirah jeung lalucu, tapi lantaran kitu janten seeur pisan jalmi anu meser jeung nganggo acuk nu sarua. Biasana sok aya model baju anu nuju rame dianggo, ditambih seeur oge jalmi anu ngadamel pidio nyobian meser acuk di aplikasi sapertos Shopee janten kamungkinan jalmi meser acuk di toko anu sarua bakal gede pisan. Matak teu heran basa abdi nuju jalan-jalan ka hiji tempat wisata anu nuju viral di Bandung, abdi ningal aya dua awewe nu nganggo acuk nu sami ti luhur nepika handap, ngan beda sapatu hungkul. Maraneh duaan parada era pas nyadar yen maranehna nganggo acuk anu sami pisan ti tiung, acuk, nepikeun calana. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8973", "text": "Waktu keur SMP, aya carita lucu. Di sakola kuring teh aya program imunisasi, jadi kelas kuring meunang giliran terakhir disuntik imunisasi. Mimitina mah lancar, tapi pas giliran kelas kuring aya salah saurang babaturan kuring nu ngaranna Ari, kuring nyaho Ari teu hayang disuntik, teu nyaho kunaon. Padahal kuring jeung babaturan bagja pisan lamun aya imunisasi di sakola, sabab mun geus disuntik, sok dibere susu jeung roti. Tungtungna mah abdi sareng rerencangan anu disuntik tiheula, Ari masih keneh dibujuk ku guru sareng rerencangan. Dugi ka sadayana geus disuntik, Ari masih keneh teu daek disuntik. Akhirna guru nanya kunaon Ari teu daek wae disuntik. Tetela Ari teu daek disuntik ku sabab sieun jarum suntik anu bakal nusuk nepi ka tulang lantaran awakna kurus leutik. Urang seuri, babaturan kuring jeung guru oge sasreuri. Ceunah mun disuntik mah moal neunggeul tulang, masalahna dokter oge ati-ati. Ahirna sanggeus dibujuk ku guru sareng rerencangan, Ari mung hoyong disuntik sanaos ceurik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5238", "text": "Saprak kajadian kena tipu ku pihak supplierna, Widia ngarubah sikap janten teu gampang percaya ka batur deui. Mun urang mere kesempatan ka batur teh can tangtu dibales ku kabaikan deui, kadang mah malah urang nu dimangpaatkeun. Dina dunia bisnis mah penting pisan nangtukeun mana pihak nu bener kerja sama jeung urang, mana pihak nu kedah diantisipasi ku urang. Ngabangun bisnis mah tong kagok, kedah totalitas dina modal jeung eksekusina. Ngan oge kade tong mudah percaya ka jelama komo anyar mah, sabab bisi niat nipu tea. Mun katipu mah modal urang bakal seep jeung usahana moal maju, bakal loba hutang. Jadi, intina mah kudu boga tekad jeung pendirian sorangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4390", "text": "Kasus ngahina fisik di sosial media bisa makin parah lamun urang na cicing hungkul teu nyokot lengkah keur tegus atawa laporkeun, tegur nyarekan wajib urang lakukeun sangkan anu sok ngahina bisa di ajar kudu boga etika teu meunang ngahina fisik batur. Contoh kasus anu ambek jeung ngalaporkeun jelema anu sok ngahina fisik nyaeta pasangan Leslar atawa Lesty Kejora jeung Rizky Billar. Pasangan ieu ngalaman penghinaan fisik anu bener bener parah ka budak na nyaeta Leslar Al Fatih, salaku kolot na emang wajib ngalapoekeun kasus nu kieu salaku wujud ngajaga jeung ngalindungan budak na, komo budak na keutik keneh can ngarti nanaon eu di lakukeun keur ngajaga mental jeng psikis budakna di masa depan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6343", "text": "Ngaluarkeun hitut dihareupeun loba batur teh salian bisa nyebabkeun era, oge bisa nyerminkeun adab hiji jalma. Jalma nu ngarti adab mah pasti ngutamakeun kanyamanan bersama, ku teu hitut di tempat umum sabab bisa ngaganggu kanyamanan batur. Mun bisa keneh ngaluarkeun hitut di tempat umum mah bisa dipastikeun kurang paham kana adab sabab hitut di hareupeun umum teh sarua jeung teu sopan sabab ngaganggu kanyamanan batur. Mantakna, yuk leuwih hargaan deui kanyamanan batur ku cara hitut di tempat nu sakuduna, ulah di tempat umum. Biasakeun lakukeun hal nu sopan, ulah nepi ka ngengera sorangan jeung deuih kalahka nembongkeun kagorengan adab sorangan!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8945", "text": "Cara salajengna pikeun nungkulan jalma anu resep bully, nyaeta nyieun babaturan kalawan loba jalma. Pembully biasana bakal ngabully jalma lemah, sorangn, pengecut, jeung jalma anu teu boga babaturan. Ku alatan éta, buka diri pikeun nyieun babaturan kalawan loba jalma. Tong nutup teuing diri nalika aya anu hoyong sosobatan sareng urang, sareng ulah resep teuing nyalira. Babaturan mah jeung saha wae, ulah ngabeda-bedakeun status sosial jeung SARA. Teras urang oge kudu babaturan jeung jalma anu mawa urang kana hal positif. Janten, upami urang dibully, réréncangan urang teh bakal otomatis ngabela sareng ngajagi urang. Terus, coba diajar silat, boh karate, taekwondo, atawa silat. Seni bela diri tiasa ngabantosan ningkatkeun kapercayaan diri, ngajaga kaséhatan, sareng urang ogé tiasa diajar ngurus diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8961", "text": "Cara katilu pikeun nungkulan kasieun sareng kahariwang sateuacan dioperasi nyaéta ngalakukeun hal-hal anu tiasa ngajantenkeun anjeun santai. Anjeun tiasa ngalakukeun naon waé anu anjeun pikahoyong pikeun ngatasi kahariwang sareng gugup anu datang sareng ngadeukeutan ka operasi anu dijadwalkeun. Atawa ngalakukeun kagiatan anu bisa bersantai awak, kayaning urut, akupungtur, atawa yoga. Nanging, upami anjeun parantos dirawat di rumah sakit, anjeun tiasa ngalakukeun hal-hal sapertos ngadangukeun alat musik, maca buku karesep anjeun, atanapi ngobrol sareng anu pangdeukeutna. Hal-hal ieu bakal ngajantenkeun anjeun hilap sakedap ngeunaan operasi anu dijadwalkeun anu bakal dilaksanakeun dina waktos anu caket. Kaopat, tuang tuangeun anu séhat. Pikeun ngatasi kahariwang sateuacan dioperasi, ngobrol heula ka dokter ngeunaan naon anu tiasa sareng tiasa dikonsumsi sateuacan lebet ka kamar operasi. Ieu kusabab kalolobaan prosedur bedah ngabutuhkeun pasien puasa sababaraha jam. Upami anjeun diidinan tuang, ngirangan konsumsi gula sareng karbohidrat olahan tapi ningkatkeun asupan vitamin B anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6895", "text": "Tos mangtaun-taun rerencangan abdi bobogohan tapi teu aya nu ngajakan nikah. Sasih ieu manehna geus aya niata kanggo nikah lantaran manehna tos lulus kuliah bari digawe. Manehna oge ti baheula gaduh cota-cita hoyong nikah pas ngora keneh, janten ngke pas murangkalihna tos garede manehna masih ngora keneh. Mamah jeung bapana ngenalkeun manehna jeung hiji lalaki, nyaeta putrana rerencangan mamah jeung bapana. Rerencangan abdi dikenalkeun ka calon pangenten lalaki na tos sataunan leuwih. Manehna atoh pisan tiasa nikah sareng lalaki anu bageur tur santun ka para kolotna, jaba tos gaduh bumi di daerah Garut. Pas akad nikah abdi miluan ceurik lantaran ngiring bingah. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7215", "text": "Mulih peuting-peuting ti kampus abdi kedah numpak angkot sababaraha kali kusabab beus anu biasa ditumpakan ngan nepika jam opat sonten hungkul. Tabuh salapan abdi ngantosan angkot di sisi jalan. Area kampus geus rada sepi lantaran mahasiswa na geus baralik kusabab ayeuna nuju pere semester ganjil, nungguan lima menit aya angkot ngaliwat, abdi langsung numpak. Di angkot ngan aya dua panumpang hungkul, jaba poek teu aya lampuan. Pas sababaraha menit jalan, si mang angkot jol ereun, cenah mah manehna ngadangu aya nu nyarios \"kiri\" padahal abdi jeung hiji panumpang anu sejen teu aya u nyarios nanaon. Abdi langsung ngaderegdeg lantaran sieun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6936", "text": "Abdi gaduh impian kanggo janten chef anu jago masak. Abdi tos nyobian seeur pisan tuangeun ti rupa-rupa daerah di dunya. Salah sahiji cara kanggo abdi supados tiasa ningkatkeun kamampuan di bidang masak nyeta miluan audisi Master Chef Indonesia. Abdi tos seeur latihan masak sabari ningal pidio masak jeung pidio audisi Master Chef anu aya dina YouTube. Abdi nyiapkeun hiji pasakan anu bakal dipasak kanggo audisi Master Chef. Abdi nyiapkeun hayam kanggo protein, saus jamur, jeung sayuran kanggo saladna. Pas abdi tos ngahidangkeun tuangeun di hareupeun juri, hanjakal abdi teu lolos lantaran masih keneh seeur anu kedah ditingkatkeun ti masakan abdi. Abdi oge kedah diajar deui masak anu bener lantaran Master Chef mah sanes tempat diajar tapi tempat diadu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2532", "text": "Sateuacan jarah harta karun, urang kedah milarian peta anu nuju ka éta. Sareng sateuacan éta, urang kedah difokuskeun kana Shipwreck. Entong hariwang, sanaos, sabab kami bakal nutupan unggal léngkah sacara rinci. Kusabab keunikan di dunya Minecraft, sababaraha léngkah tiasa langkung lami tibatan biasana. Tapi anjeun masih bakal terang sadayana ngeunaan milarian sareng ngagunakeun peta harta karun di Minecraft. Dimana Teangan Peta Harta Kakubur? Harta karun biasana kapanggih di dasar sagara atawa dikubur handapeun pantai. Tapi, anjeun peryogi peta harta karun anu dikubur pikeun mendakanana. Anjeun ngan bisa manggihan peta dina dua lokasi langka. Kahiji nyaeta ruruntuhan jero cai, nu boga kirang ti 50% kasempetan pikeun owning peta. Lokasi kadua nyaéta kapal beumeum a, nu kadang ngandung dada peta. Mun aya dada peta, pasti bakal aya peta harta karun di jerona. Pikeun tutorial urang, alatan laju peta nu leuwih luhur, urang bakal difokuskeun kapal beumeum tinimbang ruruntuhan jero cai.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1380", "text": "Kakeunaan ciduh teh emang nimbulkeun rasa geuleuh jeung oge boga resiko kana kasehatan. Salian resiko kasehatan, rasa geuleuh oge bisa memicu respon emosional nu negatif. Kakeunaan ciduh batur dianggap salaku hal anu teu sopan jeung teu pantes. Sababaraha jelema oge bisa wae mibogaan fobia atawa kasieunan khusus kana ciduh atawa cairan awak nu sejenna. Tapi tangtuna reaksi geuleuh teu kudu digedekeun, urang kudu diajar paham mun jelema mibogaan rupa-rupa jenis reaksi emosional jeung unggal jelema mibogaan batas jeung toleransi nu beda-beda. Tapi penting jang ngarti mun rasa geuleuh nu muncul ku sabab kakeunaan ciduh batur mangrupakeun reaksi wajar jeung manusiawi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8246", "text": "Upami anjeun gaduh atanapi nembe ngalaman kaayaan dimana gejala nunjukkeun yen anjeun ngalaman serangan panik, langkung sae gera konsultasi ka dokter. Nalika konsultasi ka dokter, pastikeun pikeun masihan sadaya inpormasi anu diperyogikeun ku dokter pikeun ngadamel diagnosis kaayaan anu anjeun alami. Aya babaraha cara nu tiasa dokter lakukeun pikeun ngadiagnosis atanapi milarian informasi leres apa heunteuna urang ngalaman serangan panik. Kahiji, pamariksaan fisik nu lengkep. Kadua, tes getih pikeun mariksa kelenjar tiroid sareng sagala rupa masalah kaséhatan anu mungkin. Katilu, evaluasi psikologis dimana dokter bakal naroskeun langsung ngeunaan gejala anjeun, kasieun, sareng kaayaan stres anu ayeuna teh keur anjeun alami.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7884", "text": "Lamun nuju kumpul jeung kulawargi di imah nini biasana sok dipangmasakkeun jengkol jeung peuteuy, abdi teu ngartos naha seeur jalmi anu resep kana jengkol jeung peuteuy. Sabenerna lamun kana peuteuy mah abdi masih keneh tiasa ngaemam, tapi lamun jengkol abdi teu resep lantaran bau jeung aya rasa paitna. Di antara kulawargi abdi anu barudak ngorana ngan aya hiji urang anu resep emam jengkol. Pas urang sadayana geus rengse emam, arurang barudak ngora parada ngobrol, tapi hiji dulur abdi eta dihereuyan lantaran bahamna bau jengkol, anu sanesna ngarasa bau tilas manehna emam jengkol. Lantaran era, manehna jadi cicing wae, teu ngomong nanaon. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5128", "text": "Lulus ujian nasional jadi salah sahiji kabanggan jang para orang tua. Sabab, lulus henteuna ujian nasional dianggap ngagambarkeun kamampuan siswa salila nerep elmu di sakola. Soal ujian nasional kabilang hese pisan, mantak mun siswa lulus tina ujian nasional teh sarua jeung bisa naklukeun eta hesena ngajawab soal-soal. Teu jarang orang tua ngabanggakeun pisan hasil ujian anakna, sanajan emang teu pati memuaskan. Ujian nasional oge gede pangaruhna jang nentukeun lulus henteuna eta siswa ti sakola. Jadi, bakal era pisan mun misal aya nu teu lulus ujian nasional, sabab sarua jeung kemungkinan gede teu lulusna ti sakola. Meskipun emang dina praktek na mah kalulusan teh lain tina nilai ujian nasional hungkul.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5558", "text": "Saprak covid-19, bus di sababaraha jurusan teh jadi jarang kaberangkatanna. Misalna bus jurusan Tasik-Bekasi nu ngaliwat ka Purwakarta teh jadi jarang pisan. Tadina mah aya AC jeung ekonomi, ayeuna mah ngan aya ekonomi nu sapoe na ge ngan aya tilu kaberangkatan. Kadang mah sok mantak susah sabab jadwalna nu teu pasti. Hiji-hiji na cara supaya teu tinggaleun bus jurusan eta teh nyaeta ku indit isuk-isuk, sabab mun rada beurangan ge sok tara aya busna, aya deuina sok tengah poe jung sore hungkul, eta ge jam na teu tangtu. Jadi, dari pada kasusahan mah mending inditna isuk keneh supaya bisa kabagean bus jeung teu kudu nunguan lila deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2846", "text": "Jigana loba jalma anu nyekel pakarang seukeut kusabab kasadiaan. Upama dititénan, pakarang seukeut nu ilahar dipaké ku para penjahat nyaéta arit/arit jeung parang/golok, sarta populasi arit téh leuwih loba tibatan populasi parang. Hal ieu sabab anu ilahar kapanggih di rumah tangga masarakat umumna nyaéta arit/arit minangka pakakas ngebon jeung pangropéa lingkungan imah, ogé gampang pisan kapanggih jeung aya di pasar-pasar tradisional kalayan harga anu affordable.\r\n\r\nKnives ogé dipiboga ku sakabéh di rumah tangga, tapi tangtu maranéhanana éta inferior dina jangkauan sahingga teu desirable salaku alat perampokan. Samentawis parang/golok langkung spésifik pikeun ngagigit barang-barang anu keras sapertos pepelakan kayu keras atanapi pikeun meuncit ingon-ingon, janten henteu sadayana bumi gaduh éta, éta masih mangrupikeun senjata anu dipikaresep ku para penjahat kusabab efektivitasna sareng gampang dianggo. Najan kitu, jalma anu boga parang/golok tapi teu boga tangkal kai atawa nguruskeun ingon-ingon tangtu bakal ngahudangkeun patalékan-patalékan ti warga satempat, bari teu aya nu reuwas lamun aya nu boga arit.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5951", "text": " Sasuai ajaran Islam, aya tilu tanda sakaratul maut geus deukeut ka hiji jalma. Mimiti nyaeta lelah jeung tunduh. Berubahna metabolisme tubuh nyebabkeun jalma ngarasa tereh lelah jeung tunduh, hayangna teh sare dina waktu nu lila. Tah eta teh nandakeun yen sakaratul maut geus deukeut. Nu kadua nyaeta nafas asa eungap. Biasana menjelang kamatian teh nafas sok berubah jadi leuwih berat jeung leuwih dalan, oge tempona anu teu teratur. Hal ieu dijelaskeun dina Q.S. Al-Qiyamah ayat 26-30. Nu katilu nyaeta aya kesang dina dahi. Hal ieu sasuai jeung sabda Rasulullah SAW yen jalma nu deukeut jeung sakaratul maut teh sok muncul kesang dina dahina.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2060", "text": "Leuwih nikmat ngahemat saeutik-saeutik tuluy ngagaleuh barangna ti batan meuli ku kiridit. Hargana ogé langkung mirah sareng tunai tibatan kiridit. Ngurangan beban pikiran, dimana anjeun teu diudag ku mayar tunggakan. Tapi lamun keur meuli imah on kiridit teu jadi masalah keur kuring pribadi (kabutuhan primér). Tapi lamun keur meuli kabutuhan sekundér, upamana, kahayang saperti ngaluarkeun HP panganyarna, mobil panganyarna, tas branded panganyarna, jeung sajabana Kuring pribadi leuwih resep nyimpen heula lajeng meuli eta. moal riwh ku ayana bank keliling atanapi bank emok nagihan urang, janten kudu bisa ngahemat jang kahirupan sapopoe, kudu di ijabahkeun, jeung kudu diniatan jang ngahemat sapopoe ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8954", "text": "Cara katilu, nyaéta kalayan Hipnoterapi. Hypnotherapy mangrupa cara pikeun nyageurkeun jalma anu trauma kalelep ku cara méré bongbolongan anu dilaksanakeun ku jalma anu ahli dina éta widang anu disebut terapis. Jalma-jalma anu trauma ku kalelepkeun dipasihan sababaraha saran ka alam bawah sadar ngeunaan naon anu dipikasieun ku aranjeunna. Cara anu kaopat, nyaéta flooding. Flooding mangrupa cara pikeun nyageurkeun ku cara ngadeukeutkeun panyawat ka cai anu dipikahariwangna. Pikeun jalma anu trauma ku tilelep, pikeun ngamimitian metoda ieu merlukeun gede kawani diri, kasabaran, jeung kahayang cageur ti manehna, tapi tangtu kudu dimimitian lalaunan. Cara anu kalima, nyaéta ku cara reframing. Reframing mangrupakeun cara penyembuhan ku nyentuh kenangan asal-usul masalah ieu. Ngagali kana kenangan kaliwat mangrupa salah sahiji cara pikeun ngamimitian ngartos diri jeung naha gangguan ieu boga pangaruh traumatis jero dina diri maranehna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7495", "text": "Cicing di luar negeri, utamana di Amerika kedah ati-ati lantaran di negara ieu seeur jalmi anu nyepeng pestol. Komo seeur pisan jalmi anu marabok di sisi jalan. Salaku jalmi anu mimiti cicing di dieu abdi teu acan gaduh seeur rerencangan anu asli urang dieu. Abdi kamamana duaan sareng rerencangan ti Malaysia. Hiji peuting urang nuju mapah ti kampus ka apartemen tempat urang cicing, tapi lantaran aya sababaraha barang anu kedah dipeser urang mampir heula ka minimarket. Pas kaluar aya bapa-bapa anu mabok sabari nodongkeun peso, untungna maneha keur mabok, janten manehna teu pati sadar jeung lemes. Urang duaan langsung kabur buru-buru. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1097", "text": "Keur SMA aya acara di deukeut RSJ, harita teh poe Jumaah jadi sakalian milu sholat jumaah didinya. Lantaran di kampung urang mah jarang aya nu miara anjing teh, jadi pas ka kota reuwas aya anjing bari ngagonggong. Urang sieun diudag ku anjing eta nepikeun ka leumpang teh lalaunan bari saeutik-saeutik ninggali pergerakan anjing eta bisina ngudag. Bener weh nu dipikasieun teh, babaturan urang manehna lumpat jadi weh diudag ku anjing. Untungna urang menta tulung ka petugas satempat. Anjing nu ngudag ge langsung digalian kana beusi nu disadiakeun. Geus ditalian kitu mah urang bisa leuwih tenang teu wirang deui diudag ku anjing. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3005", "text": "Abdi émut pisan, éta awal Pebruari 2020. Mémang, waktos éta kuring leres-leres ngarasa setrés. Pagawean numpuk, sering pendak sareng pendak sareng jalma-jalma anu gaduh masalah (sabab padamelan abdi kedah pendak sareng seueur jalma), kagiatan sibuk, masalah pribadi, ogé ngeunaan tugas akhir kuring anu teu acan réngsé. Intina nyaéta dina waktos éta kuring ngarasa yén kuring dina ambang ngaleuwihan kapasitas kuring. Waktu éta, jam 10 peuting kuring kakara anjog ka imah sanggeus bimbingan jeung senior kuring. Kuring nyium leungeun indung kuring jeung humandeuar yén kuring capé pisan. Kuring mutuskeun pikeun ngagolér deukeut indung kuring tanpa ganti baju. Pikiran kuring bingung, kaleuleuwihi teuing. 30 menit kaliwat kuring ngarasa atmosfir jadi béda. Awak kuring karasa tiis pisan. Waktu éta, anu dikira-kira nyaéta kuring lapar sabab ti isuk teu dahar sangu. Ku rarasaan beuki goréng kuring maksakeun diri nangtung nyandak dahareun, kuring nyoba rengse dahareun kuring sanajan awak kuring ngarasa pohara lemah. Tapi sanajan saatos réngsé, awak kuring henteu kantos pulih.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8418", "text": "Video WC kotor di puskesmas viral di media sosial. Ayana toilet klinik anu kotor nyababkeun teu nyaman sareng pasien ngarasa jijik ngagunakeunana. Video anu diunggah nunjukkeun kulawarga pasien ngarekam kaayaan Puskesmas. Kanyahoan kajadian eta lumangsung di Puskesmas Doplang, Kacamatan Jati, Kabupaten Blora, Jawa Tengah. Toilet Puskemas katingalina pikasieuneun. Toilet jongkok biru katingalina kotor. Semen dina jok toilet oge katingalina warna hideung. Garis nut ubin oge warnana tos coklat. Ember pikeun ngabersihan cai oge kusam. Di lantai sumebar botol kosong inuman mineral jeung botol pembersih lantai. Aya oge piss pot disimpen dina sudut WC deukeut panto. Sedengkeun ubin keramik masih katingali bodas.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2488", "text": "Kuring kungsi boga babaturan SMA nu geus lila teu katempo. Kami sakola di Yogya sareng jalan anu misah nalika nuju kuliah. Hiji mangsa kuring keur panggih jeung klien di BSD, kuring kakara kaluar ti wc ningali jalma nu aya di hareupeun kuring neuteup lila. Kuring henteu terang saha anjeunna sabab bari leumpang kaluar, kuring ngusap kacamata kuring tapi tetep diurus. Nalika kuring ngagem kacamata kuring, kuring sadar yén jalma éta siga babaturan SMA kuring. Kuring nyampeurkeun ka eta jelema, sanggeus ngadep ka manehna, tanpa sempat ngomong sakecap, manehna langsung ngomong, \"Asuuuuuuuu koee broooo, bangsatnnnnnn, kangen pisan panggih jeung maneh cuukkkkk !!\". Sanggeus éta urang méakkeun waktu seuri babarengan, meureun ngeunaan 5 menit. Jalma di sabudeureun urang bisa nganggap urang gélo, tapi éta kabagjaan urang express lamun urang papanggih babaturan heubeul.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8416", "text": "Urang mindeng ngarasa seueul sarta hayang utah lamun ningali batur utah. Aya sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngajaga diri anjeun tina miceun nalika anjeun ningali batur ngalungkeun. Mimiti, cobian tuang jahe anu diseduh atanapi dikulub, teras nginum cai. Senyawa aktif anu aya dina bungbu ieu, sapertos gingerol, tiasa mangaruhan sistem pencernaan sareng sistem saraf pusat, sahingga tiasa ngaleungitkeun seueul. Anjeun oge tiasa nambihan madu pikeun rasa sareng nutrisi tambahan. Kadua, cobian nginum sacangkir teh peppermint, atanapi nyeuseup aromaterapi minyak pepermin. Katilu, ngalakukeun kagiatan fisik ringan. Anjeun tiasa ngalakukeun yoga bari ngadalikeun engapan anjeun, atawa ngan leumpang pikeun meunangkeun sababaraha hawa seger.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2566", "text": "bari nanya ka abdi timana, bade kamana, jsb. Cenah adina adina ditabrak batur, diasah siga kuring (ngagem hoodie abu-abu). Aranjeunna malah pariksa kantong kuring jeung dompét kuring, Kuring waved aranjeunna kaluar sabab aya bener teu nanaon bener berharga di dinya, dompét kuring ngan sababaraha rebu (maklum peupeus. Sanggeus éta maranéhna ngan ninggalkeun.\n\nSababaraha poé ti harita, rombongan séjénna nanya hal anu sarua, ngan leuwih kurang ajar jeung nyingsieunan, kuring némbongkeun eusi tas jeung dompétna anu acak-acakan, logat khas Batak nyaring nyoba-nyoba sangkan kuring turun mental.\n\nKajadian harita, kuring ngawartosan yén sababaraha dinten ka pengker aya ogé anu ngeureunkeun kuring naroskeun hal anu sami, teras salah sahijina nyabak wajah kuring, sareng ngancem kuring kaluar tina sasak (lokasina di Jalan BSD caket stasion tempatna. nyaeta sasak di handapeunna aya jalan tol). Geus capé teu hayang ribut, tuluy pasrah, teu kuat lumpat sanggeus leumpang jauh, malihan mah panonna beureum siga nu mabok. Balukarna mah enya-enya nepi ka rengse \"wawancara\" tuluy diijinan kaluar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6291", "text": "Mun imah tara diberesihan mah pasti bakal loba rupa sarangga nu nyieun sayang. Komo mun imahna teu tarapti mah, sagala rupa barang teh ting balubrug teu diberesan, mantak resep pisan hama sarangga nyayang didinya. Sarangga nu sok nyayang teh jiga kecoa, reungit, kamarang, lembing, kungkang, laleur, jeung sajabana. Mantak, kudu pisan imah teh diberesihan sangkan euweuh sarangga nu asup jeung euweuh sarangga nu ngabahayakeun. Kudu rajin diberesihan jeung ditata barang nu dipikabogana. Ulah nepi ka imah teh loba dijieun sayang sarangga. Mun sakali geus dipake nyayang mah bakal saterusna sarangga nyayang didinya. Yuk leuwih berseka deui dina ngajaga kaberesihan imah!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5539", "text": "Panyakit kanker teh saolah jadi mimpi buruk bagi sadaya jalma. Sabab, panyakit ieu teh teu bisa diprediksi jeung mun geus ngajangkit manusa teh pasti sok tara aya nu salamet atawa cageur. Kanker teh salah sahiji panyakit beurat nu can aya ubarna. Mun jalma geus kena panyakit ieu teh rata-rata sok diganggayong hirupna nepi ka maot. Teu saeutik oge jalma nu reuwas kacida jeung putus asa mun divonis panyakit ieu. Kuduna urang bisa leuwih waspada kana ngajaga kasehatan, ulah nepi ka lalai. Tuluy mun divonis kanker, tong putus asa, kudu semangat yen ieu nu terbaik jeung sing sumanget pasti bakal cageur lewat terapi.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3420", "text": "Singkat carita, kuring salah sahiji jalma anu bau teu resep babari kesang anu kaleuleuwihan, bahkan dugi ka burquet :) Kuring bahkan parantos nyobian sadaya merek deodorant sareng alum tapi henteu aya pangaruhna. Bau awak kuring ngéléhkeun sagala merek deodoran sareng alum, khususna nalika kuring ngalakukeun kagiatan beurat. Emut kadinya abdi milarian tawas di toko hardware :') Tapi ayeuna abdi teu karaos bau badan deui saprak abdi ngalakukeun hal-hal ieu: Ngajaga kabersihan awak, khususna kelek. Konci basajan pikeun nyegah bau awak nyaéta mandi biasa sareng nyukur bulu kelek anjeun.\r\nGaringkeun awak nepi ka garing samemeh maké baju\r\nMake baju nu bisa nyerep kesang\r\nNgagunakeun deodoran. Leres, kuring masih nganggo deodoran. Tapi kuring sok ngantosan deodorant garing sateuacan nganggo baju. Saparantos mandi abdi resep aya di payuneun kipas kanggo ngagaringkeun deodoran hehehe :D Teras, saatos mandi sonten abdi oge nganggo deodoran. Percanten atawa henteu, deodorant bakal aktip dianggo peuting.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8160", "text": "Meren seueur jalma nu can pernah ngarasakeun rasana ditodong ku bedil. Mending tong hayang nyaho rasana kusabab teu geunah pisan tur rasana moal tiasa dipohokeun saumur-umur hirup urang. Rasana ditodong bedil teh campur aduk, sanajan ditodong ti jarak nu cekap tebih ge rasana sarua teu geunahna. Rasana sapertos urang teu tiasa walakaya, janten jalma nu pang lemahna. Pikiran kamana-mana, bingung rek bereaksi kumaha kusabab sieun salah. Arek cicing atanapi lumpat nyawa urang tetep kaancem ku bedil ieu. Hate hariwang pisan sieun teu tiasa panggih kulawargi deui. Suku upami teu kiat tiasa ambruk teu tiasa nahan kasieun. Awakna urang bakal otomatis menciut kusabab sieunna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "655", "text": "Urang mah resep pas bulan puasa teh, salian ti jadi bulan pangampura, oge acara nu aya dina bulan puasa siga buka bersama jadi salah sahiji acara nu paling urang dagoan. Sabab teu unggal poe atawa minggu urang bisa panggih jeung babaturan, ti mimiti SD, SMP, SMA, jeung ayeuna mah nambahan babaturan kuliah. Acara bukber teh kudu diayakeun ngameh bisa panggih jeung babaturan baheula, sanajan sok reuwas dag dig dug mun panggih jeung babaturan nu jol ojol geus mawa budak, atawa babaturan nu geus boga posisi pagawean nu alus. Tina reuwas eta jadi sakapeung mah sok kaku ngobrol teh, tapi biasana mun geus rada lila mah cair deui omongan teh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4377", "text": "Loba jelema anu ngahaja hayang neangan harta karun, kusabab indonesia teh nageri anu di percaya nyumputkeun loba harta karun di jero na, tapi aneh na lamun ka jelema anu ngahaja neangan teh tara manggihan harta karun na, beda jeung anu jelema anu teu kahaja sok bisa manggihan harta karun na. Urang anu teu niat jeung teu ngahaja kapanggih jeung harta karun pasti bakal reuwas teu sangka, komo niat jeung harga jual harga karun anu teu eleh nyieun reuwas anu manggiha nana. Tapi lamun urang manggihn harta karun pastikeun anjeun henteu dibawa ka imah jeung nyumputkeunana sacara rahasia. Pastikeun pikeun geuwat ngalaporkeun ka nagara. Hal ieu lantaran sagala pamaluruhan jeung kapanggihna harta karun atawa benda cagar budaya di Indonesia ditangtayungan ku undang-undang, nya eta Undang-Undang Nomor 11 Taun 2010 ngeunaan Cagar Budaya. Nurutkeun Pasal 23 Undang-Undang Nomor 11 Taun 2010, sing saha wae anu manggihan barang anu disangka benda cagar budaya, wangunan anu disangka wangunan cagar budaya, wangunan anu disangka cagar budaya, jeung/atawa lokasi anu disangka cagar budaya wajib ngalaporkeun. ka otoritas nu kompeten dina widang kabudayaan, Polri, jeung/atawa instansi nu aya patalina teu leuwih ti 30 poé sanggeus kapanggih. Jadi teu meunang urang mawa langsung ka imah bakal panjang perkara hukumna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6863", "text": "Sateuacan pindah ka Bandung, abdi sakulawargi cicing di Kopo. Pindah ka Bandung lantaran sakola tempat mamah jeung bapa ngajar langkung caket ti Bandung. Pas awal pindah ka Bandung urang sadayana ngontrak di bumi ka bumi, pundah pindah kontrakan, tapi masih kene di daerah anu dekeutan. Tos teu kaetang sabaraha kali urang pindah kontrakan. Kontrakan anu terakhir ditempatan ku abdi sareng kulawargi teh tempatna kirang sae, janten teu betah di dinya. Tapi alhamdulillah eta janten kontrakan terakhir lantaran ayeuna abdi tos tiasa ngawangun imah sorangan janten teu kedah ngontrak deui. Teu kedah pundah-pindah deui lantaran ieu bakalan janten bumi urang sorangan", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6295", "text": "Biasana mun ngajak ngobrol aki-aki mah sok rada hoream, sabab sok muncrat. Mun keur nyarita teh sok tara aya eureunna, panjang pisan nyarita na teh. Biasana mah nyaritakeun zaman baheula wae. Geus kitu, ngobrol na ge sok bari munyan manyun da sabab huntuna geus loba nu euweuhan, jadi rada hese jeung balelol mun ngomong teh. Tuluy saba gigina geus euweuhan tea, jadi mun ngomong teh sok muncrat. Komo mun seuri mah muncrat ciduh na teh sok loba pisan. Sok kadang mah kesel jeung seueul ningalina da terkesan jorok. Tapi da kumaha deui, ngaran na ge sepuh emang geus wajarna jiga kitu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2445", "text": "Kuring kungsi meunang kado waktu kuring leutik. Hadiah anu dipasihkeun ku bapa.. Tempat abdi tebih ti bapa. Salami bapa abdi damel di luar kota, abdi ngantosan unggal sumping, saatos 1 sasih bapa abdi mulih. Betapa gumbirana haté kuring nalika bapa ngajemput kuring nalika balik ti sakola. Sareng hadiah anu kuring katampi nyaéta mobil cocooan nu alus nyaeta hot whell, tangtos kuring ngarasa bungah sareng kaget sakaligus, sabab saha anu henteu ngaraos bagja nalika aya anu masihan hadiah, tambah upami urang nampi kado dina dinten khusus urang sareng éta. oge dipaparinkeun ku jalmi anu khusus kanggo urang, maka kanikmatan teh bakal ningkat berkali-kali lipat deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8253", "text": "Loba perkawis nu nyenengkeun nu tiasa dmeunangkeun sawaktos iinditan. Ninggalkeun rutinitas sapopoe anjeun, neuleumkeun diri dina lingkungan enggal, sareng angkat ka kafe anu unik tiasa masihan anjeun katenangan, kanyamanan sareng katengtreman. Nanging sakumaha menarikna iinditan, aya sisi sejen anu oge peryogi dibahas, nyaeta ngungkulan rasa hariwang jeung panik nalika di tempat deungeun anu can kungsi didatangan. Pikeun anjeun anu mineng ngalaman perkawis ieu, ieu babaraha cara ngatasi panik nalika iinditan sareng di tempat asing. Kahiji, boga tujuan. Apalkeun sareng nyaho kamana tujuan anjeun. Milarian info palayanan darurat di sakitar lokasi anjeun. Candak sababaraha waktos nalika ngarencanakeun perjalanan anjeun ngan ukur nyerat nomer darurat sareng rumah sakit di tujuan anjeun. Katilu, nu teu eleh pentingna nyaeta terus berpikir positif.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2585", "text": "Kuring ambek tanpa alesan, ambek ka diri sorangan, gampang megatkeun hal, éta kahayang kuring keur ngalaman. Nalika haté anjeun henteu tenang sareng kacau, parasaan bakal nyobian ngadominasi pikiran anjeun. Sanggeus pikiran geus mastered, pikiran jadi \"asisten\", sok sanajan \"budak\" parasaan. Saterusna, naon emosi aya, éta bakal ngajalankeun rampant. Dina waktos éta, kasadaran geus euweuh master na, jadi akal sehat teu bisa ngadalikeun pikiran nu geus aya, sabab pikiran geus direbut ku parasaan, sarta geus ngeusi pikiran négatip.\r\nNalika kasadaran anyar bakal tiasa ngontrol pikiran?\r\nLamun émosi geus curhat, ngabeledugna geus béak, mangka haté balik deui ka tenang jeung stabil. Nya dina waktos ieu kasadaran bakal sumping salaku master na, teras akal sehat tiasa dianggo leres sareng sakumaha sakuduna. Nalika anjeun tenang sareng sadar, teras aya rasa kaduhung, teras aya rasa dosa. Nya kitu deui, engke kaulang deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6324", "text": "Basa nuju ngiring study tour ka Malang, abdi kabagean sa bus jeung kelas 8D. Tah tukangeun abdi teh lalaki nu katelah bangor di kelas eta. Abdi meuni sieun sabab bisi dijailan. Untungna henteu ai dijailan mah. Ngan basa beres meser makan, jol hujan. Abdi tuluy we naek kana bus, emamna dina bus. Pas keur emam, eh asa bau pisan sapatu nu baseuh. Bau hapeuk pisan jiga suku nu teu dikumbah sabab lembab. Abdi neneangan bari culang cileung da teu kapanggih. Abdi geus suudzon ka budak bangor nu ditukangeun abdi. Eh pas ngambeuan suku sorangan, ternyata suku abdi nu bau. Langsung we abdi ngumbah suku ka WC jeung ngaganti sapatu make sendal japit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2931", "text": "Ieu sababaraha cara anjeun tiasa ngatasi kasieun anu kaleuleuwihan sareng kahariwang anu disababkeun dina kahirupan sapopoe:\r\n1. Nyanghareupan sieun\r\nNyatana, salah sahiji cara pangbasajanna pikeun ngaleungitkeun kasieun nyaéta nyanghareupan kasieun sorangan. Panginten ieu sesah pisan dilakukeun, tapi sanés hartosna anjeun henteu tiasa ngalakukeun éta, leres?\r\n2. Tenang\r\nNalika anjeun sieun, anjeun tiasa ngalaman rupa-rupa gejala fisik anu ngajantenkeun anjeun teu nyaman. Kanyataanna, gejala ieu sabenerna nyieun atmosfir jeung kaayaan goréng. Ku alatan éta, pikeun bisa nalukkeun sieun, Anjeun kudu rileks sarta leupas tina setrés.\r\n3. Identipikasi micu Anjeun pikeun kahariwang jeung sieun\r\nNumutkeun kana Yayasan Kaséhatan Mental, salah sahiji cara pikeun ngatasi atanapi ngaleungitkeun kasieun kaleuleuwihan nyaéta pikeun ngaidentipikasi pemicu heula. Mun mungkin, coba nulis jurnal unggal waktos Anjeun ngarasa kasienan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9263", "text": "Harita nalika kuring balik ti pagawéan, kuring sareng réréncangan padamelan ditraktir tuangeun ku bos kami di réstoran. Waktu harita kuring mesen daging sapi panggang jeung endog, ngeunah pisan, kuring masih inget kumaha rasana. Waktu keur tuang the ternyata hujan, rada gedé. Janten nalika kuring bade uwih ka bumi, lantai sareng tangga di luar réstoran éta jadi baseuh sareng leueur. Poé éta kuring teh maké sendal karét, ku lantaran tanggana leueur, kuring tisoledat jeung labuh di dinya. Kuring éra pisan harita teh, kusabab sadaya jalma anu aya di dinya ningali ka kuring. Sabenerna burit kuring nyeri pisan, tapi nyerina mah teu pira dibandingkeun jeung rasa érana. Saprak harita kuring teu hayang balik gawe make sendal karet deui, sieun tisoledat deui.\r\n", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6964", "text": "Lantaran gaduh kolot anu gaduh bisnis. Mamah jeung bapa hoyong aya minimal mah hiji murangkalihna aya nu ngalajengkeun bisnis bapa. Tos ti mimiti SMA keneh bapa tos ngaomat-omat supados abdi ngke pas kuliah nyandak jurusan bisnis. Abdi sabenerna gaduh cita-cita sorangan, abdi leuwih resep diajar ngeunaan politik tibatan bisnis. Abdi tos nyobian ngurus bisnis bapa tapi abdi kirang resep. Basa daptar kuliah abdi daptar jurusan bisnis jeung jurusan politik, tapi abdi katarima di jurusan politik, sabenerna bapa tos ngabejaan sangkan abdi mulian ujian deui daptar ka kampus anu sanes nyandak jurusan bisnis, tapi tungtungna mah abdi nyandak jurusan politik. Bapa teu satuju nepikeun ngancem moal mayarkeun kuliah kuring lamun keukeuh kuliah politik. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4701", "text": "Alesan jalma sieun jarum paling dasar nyaeta nyeri anu disababkeun nalika jarum nembus kulit sareng daging. Sajaba ti eta, sieun suntik oge bisa disababkeun ku trauma, contona trauma nalika disuntik ku dokter salaku budak leutik. Nalika disuntik, dokter moal bia ngagentian jeung lalaunan nyababkeun nyeri. Hasilna, hiji jalma jadi trauma atawa sieun suntik kana geus gede. Trauma atawa aya kasieunan kana jarum suntik ieu komo lamun di bawa nepi ka gede ngariweh keun oge, kusabab loba urusan jelema nau geus dewasa anu make jarum suntik salian ti gering. Loba pagawean pagawean anu kudu ngaliwatan tes kasehatan make jarum suntik samisal lamun rek cek getih jeung sajabana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8938", "text": "Waktu keur SMP, kuring diajak ulin jeung babaturan di WC tukangeun sakola nu geus teu dipaké deui. Kaditu kadieu sok ngobrol jeung ngaroko, cenah sangkan guru-guruna teu nyaho, sabab di sakola mah murid-muridna dilarang ngaroko. Kuring mah mung ngiring panasaran sareng bosen oge upami saban istirahat mah mung jajan di kantin hungkul teh. Sabot babaturan kuring keur ngaroko, kuring nempo kalangkang hideung kaluar ti tukangeun panto kamar mandi. Sieun pisan harita mah, untung babaturan kuring teu sadar. Tungtungna kuring pamit balik ka kelas sarta ninggalkeun aranjeunna sadayana didinya. Ti harita kuring teu hayang deui diajak ulin ka dinya, kabayang kumaha sieunna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1025", "text": "Rasa sieun ku sabab fobia ketinggian bisa ngaganggu aktivitas sapopoe. Ieu kaalaman ku urang nu boga babaturan fobia ketinggian. Harita aya kerja bakti di sakolaan jang beberesih kelas sewang-sewangan. Ku sabab kelas urang teh di lantai paling luhur nyaeta lantai 3, manehna nepikeun ka embung meresihan jendela, sabab mun ninggali jendela bakal katinggali oge dasar handapna. Tuluy mun turun tangga teh lila pisan, kudu bener-bener nyepengan kana beusi nu aya di sisi tangga. Tapi ayeuna mah manehna geus meunang penanganan, nyaeta make terapi. Terapi ieu cukup efektif jang dilakukeun jadi mantuan pasien jang muka dirina ngeunaan naon nu dipikasieun. Ayeuna mah pas panggih ge manehna keur naek tangga masang bohlam geus teu sieun deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7564", "text": "Kanggo jalmi anu imahna di sisi jalan gede kedah ati-ati, komo deui lamun gaduh murangkalih anu resep ulin di luar. Basa nuju di jalan abdi ningal aya bola anu ngagorolong di tengah jalan, teu lila aya murangkalih anu nyandak bola eta ka tengah jalan sabari teu ningal ka jalan, manehna ngan fokus ka bola hungkul padahal di dinya seeur pisan treuk anu ngaliwat, jeung anu namina treuk mah kadang-kadang moal tiasa ningal nu aya di hareupeun jeung di gigireunna, aya anu ngarana blind spot. Pas eta budak nyandak bola, pas pisan aya treuk anu nabrak budak eta. Abdi langsung lemes ningal eta budak anu geus kageleng. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7503", "text": "Jalmi anu resep ngaheureuyan atawa nyiksa batur atawa bahasa Inggris na mah bully teh teu ngan aya di sakola hungkul, tapi di tempat gawe oge seeur pisan. Komo di tempat anu senioritasna masih keneh aya. Biasana anu janten korban teh pagawe anyar anu teu acan apal nanaon, ceunah mah dijailan teh meh dekeut jeung kenal ka nu sanes tapi ieu mah kalahkah nyilakakeun batur. Biasana nu awewe sok dilecehkeun, tapi sempet aya oge kajadian di KPI nyaeta lalakina anu dilecehkeun ku lalaki deui nepikeun manehna gering sabab teu kiat nyanghareupan kondisi disiksa unggal poe ku rerencangan jeung seniorna di tempat gawe. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3353", "text": "Penggemar West Ham United ngararasakeun kamajuan tim paporitna dina papan luhur Liga Utama Inggris. Tapi dina waktos anu sareng, fans Hammers sigana paling gugup bari ningali maén tim favorit maranéhanana. Ieu nujul kana frékuénsi farting pikeun 90 menit ditambah waktu tatu. Fans West Ham paling kentut tina sagala klub di Liga Premier. Dina élmu médis, kentut bisa disababkeun ku ngaronjatna jumlah asam lambung. Samentara éta, setrés mangrupikeun pemicu pikeun naékna asam lambung. Dina survey anu dilakukeun ku 101greatgoals, kapanggih yén fans Hammers kentut 12 kali per patandingan. Langkung ti 90 fans Liga Premier anu ditaliti ngaku yén aranjeunna kentut sakali dina pertandingan. Dina pertandingan tradisional, fans biasana nginum bir jeung kueh nu ngajadikeun beuteung maranéhanana gas up. \"Urang sadayana terang fans maén bal niup gas unggal pertandingan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6315", "text": "Mun meser sayuran teh kudu tereh dipasak supaya seep, sabab sayuran mah tereh buruk, komo sayuran tertentu nu babari buruk jeung peot mun diantep teh. Mantak, saena mah sayuran teh langsung dipasak, ulah distok. Sabab aya sababaraha sayuran anu babari burk mun kacaian, aya oge nu sok peot mun diantep sapopoe hungkul teh. Nyimpen sayuranna oge kudu bener, ulah nepi ka asal-asalan. Mun neundeun bawang beureum atawa bawang bodas kudu dinu garing. neundeun tomat ulah dina kulkas, neundeun kangkung kudu dicaian supaya seger, jeung sajabana. Beda sayuran ge beda cara neundeunna. Mantak, yuk biasakeun neundeun sayuran nu bener supaya teu babari buruk!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3373", "text": "Jaman ayeuna di kelas hampir sadayana nganggap seuri nyaring mangrupikeun hal anu pangsaéna di dunya ieu. Seuri ogé bisa mawa kaluar parasaan kulawarga haneut. Salian ti babarengan jeung kulawarga, seuri jeung babaturan ogé bisa ngabalukarkeun rasa bagja jeung gumbira. Sanajan kitu, teu keur sababaraha urang. Aya jalma anu ngarasa sieun lamun aya dina riungan jalma anu keur seuri. Naha babaturan pernah ngarasa kitu? Upami kitu, anjeun tiasa gaduh gelotophobia. Gelotophobia nyaéta fobia langka anu ngajadikeun jalma anu ngalaman éta sok ngarasa sieun nalika ningali atanapi aya di lingkungan anu seuri. Jalma anu ngalaman gelotophobia bisa ngamekarkeun kahariwang ekstrim mun depresi jero.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5997", "text": "Mun aya kacilakaan nu nepi ka nyebabkeun tulangna patah teh dianjurkeun pisan jang ngalakukeun operasi. Sabab mun tulang patah mah teu bisa diobatan ku cara tradisional, kudu daek teu daek ge operasi. Mun tos beres operasi teh nembe we diterapi supaya bisa mendekati normal deui. Operasi tulang patah teh kagolong kana operasi besar, jeung teu bisa sambarangan. Tahapan operasi na teh salah sahijina penyanggaan tulang make beusi adina tulang nu patah. Beres operasi na we dipasangan ven dina bagean tulang nu patahna supaya teu ka oyagkeun. Pemulihanna teh bisa mang bulan-bulan, minimal genep bulan eta ge ku diparengan ku berobat rutin.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5940", "text": "Phobia teh mangrupakeun hiji perasaan sieun nu berlebihan mun nempo objek tertentu. Biasana dipicu ku sababaraha faktor, diantarana nyaeta ayana trauma, faktor lingkungan, stres nu teu diatasi, jeung sajabana. Penyebab phobia teh bisa tina ayana trauma terhadap objek atawa situasi tertentu nu ngajadikeun soak kana awak jeung pikiran. Salajengna nyaeta faktor lingkungan, misalna mun aya jalma nu salingkungan phobia terhadap objek tertentu, tah sacara teu langsung bakal oge mangaruhan ka diri urang. Nu katilu nyaeta stres berlebihan nu teu ditangani dengan baik. Hal ieu bisa jadi nimbulkeun trauma atawa kekhawatiran berlebih nu tungtungna ngajadikeun phobia kana situasi atawa objek tertentu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1425", "text": "Jadi baheula keur first date jeung awewe nongton bioskop, urang lain jelema nu hayang dipangmayarkeun, jadi ngotot hayang mayar sorangan. Tapi manehna oge ngotot hayang mangmayarkeun. Akhirna mah dibayarkeun ku manehna. Pas dahar urang inisiatif mangmayarkeun manehanana, soalna urang tadi geus dipangmayarkeun. Pas beres dahar urang langsung menta bill, tuluy urang ngaluarkeun dompet rek mayar, tapi geuningan duit cash urang kurang lima rebu jeung diditu teh teu bisa make debit. Urang era tuluy ngomong ka manehna sanajan era-era oge \"Wios teu pami abdi nambut 5 rebu?\" Manehna nahan seuri bari ngaluarkeun duit 5 rebu. Tuluy pas kaluar oge, urang poho can mayar urut air mineral hargana 10 rebu, tungtungna manehna deui nu mangmayarkeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8258", "text": "Nalika rem mobil atanapi motor blong, pangalaman eta tiasa pikasieuneun. Anjeun bisa ngarasa kawas geus leungit kontrol kandaraan anjeun sarta teu bisa ngeureunkeunana leres. Ieu bisa ngabalukarkeun sieun, kahariwang, komo panik, sabab ngarasa yen anjeun teu bisa ngadalikeun kaayaan. Nalika rem blong, anjeun tiasa ngarasa jantung anjeun ketukan gancang tina panik. Anjeun oge tiasa ngaraos macet sareng henteu terang naon anu kudu dilakukeun. Sajaba ti eta, bisa jadi aya gejala fisik kayaning megatkeun kaluar dina kesang tiis, oyag, atawa ngarasa lieur jeung seueul. Dina kaayaan sapertos kieu, langkung sae tetep tenang sareng fokus kana ngadalikeun kendaraan anjeun. Coba nganggo rem darurat kalayan ati-ati, anu biasana aya di kenca pedal rem dina mobil atanapi dina tuas rem dina motor.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9527", "text": "Raihan kacida bungahna basa ngadenge yen manehna lulus ujian ahir semester genap. Sanggeus diajar beruang-peuting salila satengah taun, anjeunna tungtungna bisa lulus ujian oge tur bisa naek ka kelas sabelas. Raihan terus rajin diajar, sanajan aya mangsana teu yakin bakal bisa lulus. Basa meunang hasil ujian, Raihan teu bisa nahan kabungah. Anjeunna langsung nyarioskeun kasuksesanana ka sadayana anu dipendakan, kalebet kolotna anu bangga ka putrana. Raihan oge nganuhunkeun pisan ka guru-guruna anu parantos masihan bimbingan sareng dukungan dugi ka ayeuna. Ku lulus ujian ahir semester, Raihan ngarasa leuwih percaya diri jeung yakin bakal bisa nyanghareupan tangtangan dina mangsa nu bakal datang. Manehna oge ngarasa leuwih sumanget pikeun nuluykeun diajar demi cita-cita manehna. Raihan kacida bungahna jeung nganuhunkeun kana kasuksesan nu geus diraih.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4325", "text": "Kamari urang rek nganter babaturan rek mudik di terminal kampung rambutan, babaturan teh akhirna milih balik saeengeus ngarantau salila opat tahun di kota. Manehna naek bus anu jurusan na ka kuningan jam salapan isuk. Barang barang na kabeh geus di siapkeun ti peuting mula, maneh na ngarasa teu sabar tapi oge sedih rek papisah jeung nu lain na. Jam dalapan urang mangkat ka terminal. di Teminal urang nilai pasangan salaki jeung pamajikan siga nu capek geus lulumpatan beungetna siga anu reuwas bacampur jeung kuciwa, saenggeus di tanya kunaon ternyata manehna katinggaleun bus. Bus tujuan na karek mangkat, padahal manehna geus buru buru pisan ngudagna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1064", "text": "Pas meunangkeun kabar ti dokter yen urang kudu ngajalankeun operasi, perasaan campur aduk langsung aya dina pikiran urang, aya rasa hariwang jeung sieun nu teu bisa dihindari. Tapi urang nyoba tetep tenang jeung okus kana persiapan pas rek operasi. Saacan operasi urang ngalakukeun rupa-rupa persiapan siga ngajalankeun serangkaian tes medis, diet khusus, jeung milu petunjuk ti dokter. Pas poe operasi tiba, urang ngarasa geumpeur pisan. Saacan asup ka ruang operasi, urang meunangkeun obat penenang meh nyieun urang tunduh. Urang hudang sababaraha jam saenggeus operasi jeung ngarasa cape pisan oge nyeri. Tapi urang ngarasa lega jeung bersyukur yen operasi berjalan lancar. Salila sababaraha poe saenggeus operasi, urang ngalaman rasa nyeri jeung teu nyaman, tapi tim medis mantuan urang ku ngarawat nu diperlukeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5974", "text": "Basa nuju sakola keneh mah abdi teh sering digalakan ku babaturan. Sagala nu dipiboga ku abdi teh pasti we diganggu atawa dirusak ku babaturan. Abdi geus sering pisan digalakan sagala rupa, nepi ka dipalakan. Abdi teh hoyong ngadu ka kolot, tapi sieun sabab sering diancam. Mun nepi ka bebeja ka kolot teh bakal diganggu jeung digalakan leuwih-leuwih. Tah abdi teh ngarasa sieun pisan sabab digangguna ku lobaan, hampir sakelas teu aya nu ngabaturan. Pernah abdi ngadu ka guru, eh enjingna kalah dicarekan deui ku nu sok ngaganggu abdi, malah leuwih dijailan ti biasana. Tidinya, abdi teu deui-deui wani ngadu ka kolot, nanaon ge cicing we api-api teu aya nanaon.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9543", "text": "Irfan nyaeta pamuda anu resep pisan maca. Anjeunna resep pisan ka Aan Mansyur, sastrawan kasohor anu parantos nyerat seueur buku anu anjeunna resep pisan. Hiji mangsa, Irfan meunang beja yen Aan Mansyur datang ka kotana rek ngayakeun sesi penandatanganan buku. Irfan teu percaya kana eta beja, tapi manehna nyoba-nyoba neangan beja anu leuwih jentre netela yen eta warta teh bener. Irfan kacida bungahna jeung teu sabar hayang papanggih jeung panulis idolana. Manehna langsung meuli karcis tuluy ngantri sesi tandatangan buku Aan Mansyur. Dina poe anu geus ditangtukeun, Irfan datang ka eta tempat kalayan hate nu gumbira. Anjeunna kacida sumangetna pikeun nepungan Aan Mansyur. Sabada giliran, Irfan gugup pisan. Anjeunna henteu terang naon anu kedah dicarioskeun ka panulis idola na. Sanajan kitu, Irfan ningali sikap Aan Mansyur nu ramah tur santai, janten Irfan ngarasa leuwih tenang. Irfan kacida bungahna bisa tepang jeung panulis idolana. Manehna ngarasa bagja pisan bisa papanggih jeung Aan Mansyur sarta menta tanda tangan buku ti pangarangna. Anjeunna bagja pisan sareng moal pernah hilap momen eta.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6034", "text": "Pak Toni mangrupakeun tukang bakso nu sapopoe na sok mangkal di pertigaan jalan baru. Pak Toni sok mangkal unggal poe di tempat nu sarua. Hiji poe, di hareupeun gerobakna pisan teh aya kacilakaan nu ngaragang nyawa. Aya hiji mobil mini bus nu nambrak motor nu keur nyebrang di jalan. Sabab mobil mini bus tarik, nu naek motorna ge katabrak nepi ka mental kana trotoar, jeung teu bisa disalametkeun nyawana. Pak Toni harita nyaksian pisan sagala kajadianna. Tuluy pas geus beres kajadian teh, Pak Toni dipanggil ku polisi supaya ngajelaskeun kronologi kacilakaan. Pak Toni reuwas pisan ditanyaan ku polisi sabab sieun kasalahkeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2117", "text": "Abdi sareng salaki dugi ka tahapan nikah ku cara taaruf, gentos CV. Pondokna, kuring geus kenal anjeunna ngaliwatan média sosial-leuwih tepat, kuring kakara nyaho jeung kuring boro pernah berinteraksi. Patepung pribadi ngan sakali nalika datang ka imah, kadua kalina nalika kontrak. Pikeun kuring, anjeunna téh muhrim lengkep. Kami henteu kantos ngobrol sateuacanna. Atuh ka imah, kuring ngan ukur ngobrol jeung kolot kuring kira-kira dua jam, ngan ukur 15 menit kuring ngupingkeun. Poé kawinan datang, kontrak réngsé jam 10. Geuwat resepsi dituluykeun nepi ka jam 10 peuting. Naon anu abdi kedah laksanakeun? Ngabereskeun kamar anu pinuh ku kado jeung sasajén, sasapuan, ngaganti sepré 'panganten' pikeun sési poto kalayan sepré biasa anu leuwih nyaman. Teras kuring ka kamar mandi sareng beberesih, saatosna kuring angkat ka kamar adina kanggo ganti baju sareng sholat. Tapi nya naha geus etateh arurang duaan malah maen uno, pedah mah da cape nya mereun mah, han basa eta suami abdi teh malah eleh 10 kali.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7828", "text": "Lantaran tos hampir seep waktos kanggo ngontrak di kontarkan abdi ayeuna, abdi kedah buru-buru milarian kontrakan anyar kanggo hirup sapopoe. Aslina mah abdi teh kedahna mah rencanana bade ngalih sasih hareup, tapi anu boga kontrakna ngadadak miwarang abdi ngalih minggon hareup lantaran bade aya nu ngontrak deui. Kapaksa abdi milarian kontrakan saaya-aya lantaran teu aya waktos kanggo milarian kontarakan anu sakumaha kayang kuring. Abdi kapaksa milih hiji kontrakan anu tempatna teh kirang sae. Pas abdi asup ka jero oge geus kaambeu bau teu ngeunah jeung loba ramat lancah di mamana, komo di kamar cai loba cucunguk, geus kaambeu ti luar. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4398", "text": "Salingkuh mangrupa wujud teu satia dina jero hubungan, boh lamun bobogohan keneh atawa geus nikah. Salingkuh teh kasalahan anu pang beurat na keur di maaf keun ku pasangan na. Jaman ayeuna loba pisan kajadian parsalingkuhan anu bisa katempo, boh di dunya nyata atawa urang ningali na sosial media. Parsalingkuhan teh salah na dia dua dua na lain ngan salah sahijina. Soalna lamun salah sahijina bener pasti berbuatan salingkuh eta moal di lakukeun. Dampak pangede na lamun salingkuh komo geus nikah nyaeta cerai, pasangana geus kadung nyeri hate ambek ambekan jeung milih nutup hate tuluy cerai. Nah ari geus kitu budak anu jadi korban na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5920", "text": "Tilu cara jitu supaya bisa ngatasi demam panggung samemeh tampil. Nu kahiji nyaeta hapalkeun bener-bener teks atawa kalimat nu bakal ditampilkeun. Ulah nepi ka salah komo ticaletot ngomong mah. Nu kadua nyaeta tong gugup, usahakeun tetep tenang. Mun gugup mah biasana sok teu fokus, jadi we sok kaweur kana sagalabnu diingetna. Nu katilu nyaeta baca doa jeung optimis. Tong poho mun rek nanaon teh kudu maca doa supaya dilancarkeun jeung dijauhkeun tina sagala hambatan. Terus oge kidi optimis, kudu percaya yen diri urang teh bisa jeung mampu ngalaksanakeunna. Ulah nepi ka ragu, kudu optimis we heula dina nyobaan nanaon mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8197", "text": "Edo teh ayeuna keur sakola di kelas hiji SMP. Asup sakola SMP, Edo ngarasakeun kabebasan. Ayeuna manehna sok ulin kamana-mana sareng rerencangan di sakolana. Ulin kamana wae nu tangtos tebih ti imah Edo. Hiji waktos Edo sareng rerencanganna ulin ka pesisir. Di pesisir eta manehna teu emut kana waktos. Edo karak sadar waktos, nyaeta sawaktos aya adzan magrib. Manenhna ujug-ujug panik kusabab sieun dicarekan ku indungna ulin teu bebeja heula. Edo buru-buru balik nanging jalanan macet pisan janten Edo tiasa karak nepi imah jam 9 peuting. Edo makin sieun wae dicarekan sawaktos nepi imah bapak jeung indungna keur ngadagoan hareupeun panto. Edo langsung menta hampura moal ngulangan deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4444", "text": "Kaanekaragaman masarakat Indonésia boga potensi pikeun timbulna kasus SARA. SARA mangrupa singketan tina kecap Suku, Agama, Ras, jeung Antarkelompok. Seringna konflik SARA ieu lumangsung di tengah-tengah masyarakat Indonesia anu maneka ragam. Contoh kasus SARA di indonesia anu pang gede na nyaeta kasus Konflik antar etnis anu kajadian dina tahun 1998 antara etnis pribumi jeung etnis Tionghoa. Konflik ieu gede pisan nepika ngajieun kerusuhan jeung kejahatan HAM. Ti dinya urang bisa jelas nempo yen masalah atawa dampak anu di timbulkeun tina isu SARA ieu teh gede pisan. Masarakat bisa terpecah beulah, kejahatan HAM nepi runtuh na ekonomi anu ngajieun karusuhan leuwih gede deui. Ulah nepi ka kasus anu kieu kajadian deui, matakna urang kudu bisa leuwih ngabuka wawasan urang yen di mata negara urang kabeh sarua jeung kudu bisa ngahargaan sesama tong ningali dina aspek SARA na jeung kudu leuwih tegas lamun ngarasa ambek teu nyaman lamun di senggol SARA sangkan jelema na paham jeung nyaho naon salahna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7277", "text": "Saha anu teu resep kana eskrim. Abdi resep pisan ngadahar eskrim. Di warung aya salah sahiji merek eskrim anu mirah pisan tapi ngeunah rasana, susuna karasa jeung teu pati amis teuing. Basa nuju di kampus abdi jajan eskrim sareng rerencangan, teras urang milih eskrim anu sarua. Urang duaan dahar eskrim sasarengan di caket kantin. Pas eskrimna tos seep, abdi ningal dina stikna aya tulisan gratis hiji eskrim. Abdi asalna teu percaya lantaran teu pernah meunang hadiah langsung sapertos kieu, abdi langsung nanya ka rerencangan bener teu ieu teh hadiahna. Abdi langsung nukerkeun hadiahna ka warung. Teras tukang warungna langsung masihan hiji eskrim deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5587", "text": "Basa nuju hamil anak nu kadua mah Ayu teh ngidamna rupa-rupa pisan, jeung deuih hese diteangan nana. Basa mimiti kahamilan nana geus ngidam hoyong rambutan rapiah tina tangkalna. Pan atuh kudu neneangan kaditu-kadieu nu boga tangkal rambutan rapiah. Untungna harita keur usum rabutan, jadi teu hese teuing. Tuluy oge ngidam carogena digundulan, atuh daek teu daek kudu diturutan da bisi utun na kukumaha tea. Nu leuwih parah mah ngidam hoyong nasi goreng tapi make endog guluntungan nu digoreng diparengkeun. Atuh bari era-era ge caroge na nurutkeun kahayangna da bisi utun na ngelay ceunah mun lahir teh. Ah pokokna mah geus rupa-rupa we pamenta na teh. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8453", "text": "Seueur jalma nu upami keur nyarios teh ciduhna muncrat kamana-mana bahkan tiasa muncrat ka awak urang. Urang janten tiasa ngarasa geuleuh upami kana ciduh batur teh, wajar we da ciduh teh kotor komo deui upami jalma nu nyariosna tara ngosok huntu, tos mah kotor bau deui. Heunteu pisan pokokna mah kana ciduh batur teh. Komo deui upami batur na keur geuring. Ciduh batur anu gering tangtu bisa ngandung bakteri atawa virus anu bisa nularkeun panyakit ngaliwatan cipratan ciduh, contona ku cara batuk, bersin atawa ngobrol. Panyebaran panyakit ngaliwatan cipratan ciduh atawa dahak, utamana dina kasakit kayaning infeksi saluran pernapasan akut, gondongeun, influenza, jeung saterusna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3019", "text": "Kuring cicing di Jakarta nyalira, kulawarga ageung cicing di kota leutik di Jawa Timur, perjalanan 5-6 jam ti Bandara Juanda. Jadi pikeun nepi ka imah kuring, paling gampang ngagunakeun karéta atawa beus nu langsung ka tujuan. Ku karéta, waktuna sakitar 15 jam. Pikeun beus? Doakeun kuring moal pernah naek beus, sabab bakal ngabuang kahirupan kuring di jalan. Kamari sonten, abdi nampi beja yen mbahkung (akina) sepuh nuju awon sareng kulawarga ageungna parantos ngumpul ngajaga tina hal-hal anu teu dipikahoyong. Duka simkuring teu acan tiasa nganjang ka mbahkung, khususna hubungan simkuring teh caket pisan. Leuwih deukeut ti bapa sorangan. Ieu kusabab ayeuna meunang tiket karéta jarak jauh pikeun acara téh hésé. Pesawat? Di sagigireun teu ramah kana saku kuring (karék ngamimitian karir), bandara téh jauh ti tempat kuring cicing. Beus? Jatah pakansi kuring béak di jalan. nah eta ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3318", "text": "Kadaharan anu disayogikeun di sisi jalan ngagaduhan rasa anu langkung saé tibatan tuangeun anu dilayanan di kafe sareng réstoran. Hanjakalna, kadaharan ieu aya résiko kakeunaan rupa-rupa lebu sareng polusi ti lingkungan sareng jalan. Lamun kadaharan kakeunaan lebu atawa polusi bisa ngabalukarkeun panyakit di antarana. Masalah pikeun saluran pencernaan dina bentuk diare sabab geus kacemar ku kuman jeung baktéri.\r\nInuman sareng tuangeun ieu tiasa nyababkeun iritasi dina tikoro sareng nyababkeun batuk.\r\nSalian ti batuk, anjeun ogé tiasa kaserang sariawan tina tuang tuangeun sareng inuman anu kakeunaan lebu sareng kokotor.\r\nSareng ogé lebu anu didahar sareng tuangeun tiasa memicu polusi paru-paru sahingga organ ieu kainfeksi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2879", "text": "Jaman alit mah sering aya pintonan wayang kulit anu biasana diayakeun nalika aya acara-acara sapertos kawinan, khitanan, jeung sajabana. Sajauh anu kuring inget, urang limaan peuting éta hayang lalajo wayang golék dina bagian perang jeung/atawa lucu nu biasana dipintonkeun dina tengah peuting. Urang indit kira-kira jam 11 peuting ka tempat. Tapi hanjakal di antara venue jeung imah urang aya imah kosong nu ceuk jalma angker. O.. enya jaman harita di kampung urang mah can aya listrik, jadi mun peuting-peuting poek ngan petromaks atawa lampu umum dipasang di hareupeun imah warga. Kalawan kahariwang campur sieun urang indit babarengan jeung urang leumpang. Saméméhna, urang geus sapuk lamun ngaliwatan imah kosong, urang bakal lumpat sangkan teu sieun lila. Jadi lima urang lumpat di gelap. Nya bari lumpat, kuring ningali kalangkang hideung lumpat di hareup urang terus maju mundur siga ngahalangan urang lumpat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7810", "text": "Pas nuju gogoleran dina kasur jol aya nu ngeclak dina baju tu luhur lalangit imah, ai sugan teh hujan, tapi pas diambeu teh gening bau tai, pas abdi tingal epekteh eta mah tai cakcak. Abdi langsung hayang utah lantaran teu kahaja ngambeu dekeut pisan kana hirung. Tai na teh baseuh keneh jeung pacampur jeung bau hangseur. Abdi langsung muka baju anu beunang tai cakcak eta teras langsung diseuseuh. Abdi teu resep pisan kana tai cakcak anu sok modol di mana wae, teu sopan. Untung we teu beunang kana bengeut atawa kana baham. Ti kajadian eta, abdi langsung masang ubar kanggo ngusir cakcak. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7610", "text": "Hiji poe caritana abdi sareng rerencangan bade jalan-jalan, tapi supados mirah urang rencanana numpak angkot. Hanjakalna abdi sareng anjeunna teh imahna rada jauh, janten kedah numpak angkot nyalira heula tuluy engke jangjian di hiji tempat. Sabenerna poe eta teh tos lami pisan abdi teu numpak angkot saprak pangaos BBM naek, komo abdi bade ngadatangan daerah anu teu acan pernah abdi datangan nyaeta di daerah kabupaten. Asalna mah abdi numpak angkot nepika kabupaten teu aya masalah, tapi pas dugi di kabupaten abdi salah numpak angkot, kalahkah arah anu sabalikna, tereh pisan abdi nepi ka luar kota. Abdi bener-bener teu apal daerah ieu, rek tataros oge era. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5961", "text": "Tilu hal nu bisa dilakukeun lamun keur ningali penapakan makhluk halus di sakitaran. Nu kahiji nyaeta babacaan. Tah ieu teh penting pisan sabab kan bekel urang dina ngahadapi sagala kondisi, mun keur nempo penampakan teh kudu babacaan surat Al-Qur'an jeung doa supaya disalametkeun. Nu kadua nyaeta kudu tenang ulah panik. Lamun panik mah sok kalahka kaweur jeung nyilakakeun diri sorangan. Mantak kudu tenan saolah-olah teu nempo. Nu katilu nyaeta tong gurunggusuh, api-api teu ningali nu kitu we. Sabab samakin urang ngarasa sieun, samakin nambah energi negatifna. Mantakan ulah nepi ka gurunggusuh sabab kasieunan, da nu kitu mah moal bisa nyilakakeun langsung ka jelema.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6392", "text": "Salah sahiji hal nu geus jadi lumrah teh nyaeta aktivitas tanpa mandi heula. Jadi, ayeuna mah lolobana jalma anu aktivitas sapopoe tapi teu diawali ku mandi. Jadi, bau badan teh dileungitkeunna ku parfum, lain ku sabun keur mandi. Jadi, ayeuna mah leuwih penting parfum nu mahal tibatan sabun mandi nu seungit. Sabab, asal parfum bisa wangi nepi ka lila ge geus cukup jang ngaleungitkeun bau awak sabab teu mandi. Kitu oge mun rek kuliah atawa digawe, geus cukup ku cuci muka jeung sikat gigi we. Mandi mah ditunda nepi ka peuting. Kadang mah mandi sapoe teh ngan sakali. Balik deui, nu penting mah parfum wangina awet jeung skincare anu bisa ngacover raray.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8983", "text": "Akhir-akhir ieu di Jawa Barat sering kajadian bencana alam, khususna lini. Sareng parantos aya sababaraha lini anu kajantenan di daérah anu jauh, kulawarga kuring sareng warga satempat parantos ngarasa oyag. Sareng anu paling kuring hariwang nyaéta upami aya lini sareng sadaya anggota kulawarga kuring henteu aya di bumi. Sareng kuring sieun lamun salah sahiji anggota kulawarga kuring deukeut ka lokasi lini jeung kapangaruhan ku musibah. Janten upami aya bencana alam, kuring langsung ngahubungi sadayana kulawarga kuring pikeun mastikeun yén aranjeunna henteu kunanaon sareng tiasa balik ka bumi kalayan aman. Kabayang ka jalma anuk kulawargana cakeut ka tempat lini, pasti uanggal poe aya wae kasieun pedah ku oyagna bumi. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8166", "text": "Unggal jalmi tangtos pasti boga kasieunna masing-masing. Nanging seueur jalmi nu teu tiasaa ngartos kasieun batur. Padahal aya babaraha jalmi nu boga kasieun parah ka hiji perkawis. Biasana mah kasieun ieu teh disebatna phobia. Phobia ieu disebabkeun ku trauma saatos ngalaman kajadian nu tangtu. Ti perkawis nu leutik sapertos sieun poek atanapi disebat nyctophobia nika keun perkawis nu aneh-aneh sapertos sieun liang atanapi disebat trypophobia. Ieu kasieun teh salah sahiji masalah psikologis. Kusabab ieu disebatna masalah janten kudu diecregkeun liwat metode pangubaran. Pangubaranna rupa-rupi nanging umumna mah pengidap phobia teh dibiasakeun ngalaman atau ningalikeun perkawis nu manehna sieun. Janten persepsi pengidap teh tiasa kaubah upami perkawis eta teh sanes perkawis nu kudu dipikasieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "278", "text": "Panggih jeung idola teh impian loba jelema. Kahayang ngajak foto bareng oge pasti hiji hal anu wajar. Salian bisa jadi kenang-kenangan, foto jeung artis oge bisa jadi pencapaian jang sabagian jelema. Tapi kudu diperhatikeun oge artisna, ulah nepikeun ka jadi keuheul. Leuwih alus katimbang langsung foto-foto mendingan nyapa heula, soalna maranehna teu kenal jeung diri urang. Menta foto oge bae tapi kudu menta izin heula, lamun artisna embung difoto, nya ulah maksa. Ngarekam ti kajauhan oge bisa nyieun si artis teu nyaman. Alusna mah ulah ngarekam sangeunahna jeung nyebarkeun di media sosial. Daripada menta foto mending ngomong ka artisna, karya naon nu dipikaresep nepikeun ka ngagumi artis eta.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "707", "text": "Harita keur aya promo bolu nepikeun ka antri di jalanan teh, aya kana 50 orang mah ngantri. Samemeh buka toko ge geus pada ngantri, malah mah aya nu ti subuh langsung ngantri. Aya kana dua jaman, toko teh buka tapi teu kabeh bisa langsung asup. Sistemna make sistem 10 orang nu asup heula. Jadi nu 10 orang mimiti arasup ka tokona. Sesana mah nungguan aya nu kaluar hiji-hiji. Teu lila aya mobil nu parkir, ninggali mobilna mah alus. Tuluy manehna langsung kahareupeun panto tokona, didinya teh aya petugas. Si ibu embung ngantri pajarna teh geus langganan. Otomatis batur nu tatadi ngantri teh arambek ka si ibu eta. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3245", "text": "Waktu harita can aya jalan tol anu ngahubungkeun Pulo Jawa jeung kajadian sanggeus lebaran. Janten anjeun parantos terang yén waktos éta macét pisan di basisir kalér. Biasana Jakarta-Solo tiasa dugi ka 12-14 jam, kusabab lalu lintas beurat tiasa dugi ka 18 jam. Waktu éta kuring keur kakandungan, dina kaayaan kuring ngadadak hayang ka WC. Sareng aya hiji kajadian dimana aya macet sareng kuring henteu tiasa nahan deui, nyimpang di tempat parkir sakola sisi jalan. Kuring teu apal naon ngaran sakolana, utamana mah geus peuting-peuting geus reup-reupan. Nalika ngantri di hareupeun jamban, kuring nyobian ngaleungitkeun pandangan goréng ngeunaan jamban umum, nyobian henteu ngabayangkeun yén kuring bakal gering.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5703", "text": "Mun hak geus direbut teh sok jengkel pisan jeung tara ikhlas, komo mun ku babaturan deukeut pisan mah. Abdi kantos ngalaman harita latihan voli bebeakan, eh pas tanding mah kalah posisi abdi direbut ku babaturan deukeut abdi sorangan. Abdi meuni sedih jeung jengkel pisan asa ditusuk di tukang ku babaturan deukeut pisan. Mending mun kualitasna leuwih alus mah, ieu mah kalah ka jadi goreng kana timna. Abdi sapopoe ceurik bari nyeuri hate ku kajadian eta. Tidinya jadi palajaran, tong deukeut teuing jeung tong percaya teuing ka babaturan deukeut. Sabab biasana justru babaturan nu deukeut nu sok nyieun nyeuri hate teh!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "311", "text": "Pas urang keur di sakola keneh, aya indung nu ngajemput ka sakolaan yen urang ijin teu bisa nuluykeun pelajaran poe eta nepi beres. Indung urang menta ijin sabab nini ti bapa ngantunkeun. Jadi ngameh barengan ngalayad ka nini urangna. Di sajajalan balik teh inget ka nini urang, inget kana pesen terakhirna ka urang. Cenah mah anjeunna hoyong dikuburkeunna diburuan imah, tuluy menta urang mindeng nganjangan ka kuburanna jang ngadoakeun. Urang sedih lamun inget kadinya teh. Geus lila oge urang teu nganjangan imah nini urang, asa teu percaya ayeuna geus euweuh. Geuningan omongan eta teh pesen terakhir nini ka urang. Pas datang ngalayad ge teu kaburu ningali nini terakhir kali, da geus kaburu di kuburkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5629", "text": "Bagi sabagean besar jalma, body shaming teh jadi salah sahiji hal nu mantak pangaruh buruk pisan kana mentalna. Sabab, tuntutan hirup supaya jadi geulis teh unggal jelema nya beda-beda, teu bisa disaruakeun. Tapi kadang aya nu ngaranna standar kageulisan jalma, kudu kuru awakna, kudu ngabentuk awakna, kudu geulis rupana, bodas kulitna, kudu rapih gigina, kudu bodas gigina, jeung sajabana. Padalah, teu bisa dijieun kitu. Rata-rata awewe geulis ku kaayaan naturalna, teu kudu sarua jeung standar. Da jelema mah diciptakeun dina sabaik-baikna bentuk, jadi euweuh alesan jang menyesalina. Mun aya nu ngalakukeun body shaming, brarti jelema eta sorangan nunjukeun kacacatan hatena ka batur.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8184", "text": "Pembullyan teh masalah nu kudu dibereskeun. Komo deui pembullyan di lingkungan sakola, ieu tiasa ngaganggu proses belajar korban bully. Korban bully tiasa embung dongkap ka sakola kusabab sieun dibully. Perasaan sieun saleresna tiasa ngastimulasi korban pikeun ngajauh ti situasi atanapi kondisi nu manggihkeun manehna sareng pelaku pembullyan, ku kituna ieu tiasa ngajamin kaaman korban bullying ieu. Nanging, perkawis ieu teu tiasa janten solusi konkrit kusabab korban leuwih condong teu neangan bantosan atanapi teu menta tulung sapertos ka kolot, guru, atanapi jalma nu tiasa diandelkeun. Korban ngan tiasa kabur ti kaayaan samentara palaku pembullyan kalem-kalem wae ngalakukeun pembullyan tanpa aya hukuman.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5684", "text": "Basa nuju jalan-jalan ka Cirebon, Rian jumaahan di jalan jeung babaturanna. Rian eureun di masjid nu aya di sisi jalan. Rian ngarasa rada aneh sabab nu jumaahan di masjid eta teh cara pakean na sarua kabeh jeung deuih jiga nu rada araneheun ningali Rian jeung babaturanna. Rian teu ngahiraukeun nu ningalikeun, ngan emang rarasaan na rada aneh sabab euweuh nu eureun didinya salian manehna. Tapi Rian geus kagok nuluykeun jumaahan we didinya. Barang geus beres jumaahan nembe maca tulisan dina plang deukeit gerbang yen eta teh masjid umat daarul Islam nu emang dipake khusus jang jamaahna hungkul, biasana oge nu aya hubungan kakulawargaan, jadi teu sambarangan. Karesahan Rian kajawab oge salila jumaahan teh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8926", "text": "Nalika kuring leutik, kuring gaduh kajadian anu nyababkeun kuring trauma. Waktu éta, kuring keur ulin bari dahar dihuapan ku mamah. Mamah indit heula, rek pipis cenah, jadi kuring dahar sorangan. Kuring panasaran ngeunaan stop kontak listrik. Teu nyaho, kuring nyolokkeun ujung sendok kana colokan listrik. Ujug-ujug sakujur awak kuring ngageter ku kejutan listrik, kajadianna lumangsung sababaraha detik sabab mamah ujug-ujug datang sarta narik leungeun kuring ngajauh tina stop kontak listrik. Kusabab kanyeri jeung kareuwas, kuring langsung ceurik tarik bari nangkeup si mamah pageuh. Ti harita kuring sok sieun lamun deukeut kana stop kontak listrik. Kuring oge teu wani nyolok kabel nyalira, kedah sareng mamah atanapi bapa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7280", "text": "Tos lima sasih abdi nabung kanggo meser hape. Tos saminggon oge abdi milarian inpormasi tempat kanggo meser hape anu sae. Abdi mutuskeun meser hape di dekeut imah lantaran supados lamun aya masalah tiasa langsung ngadatangan tempat meuli eta. Abdi meser hape iPhone teras nyobian heula sababaraha fiturna sateuacan mayar. Abdi milih hape anu warnana hideung. Abdi oge menta tulung dipang masangkeun anti gores dina hapena. Abdi oge asalna bade meser powerbank sareng casing kanggo ngalindungan hape, tapi ceuk si tetehna aya undian hadiah anu salah sahijina casing atawa powerbank. Abdi langsung nyandak nomer undian, pas dibuka abdi teu nyangka meunang powerbank. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8419", "text": "Nadim teh jalma beresih jeung rapih pisan. Anjeunna resep pisan kana kabersihan sareng karapihan. Manehna sok beberesih jeung beberes kamarna unggal isuk sanggeus hudang. Manehna oge paling rajin meresihan imahna. Anjeunna paling sering bebersih nu ngaranna kamar mandi. Nadim mineng ngabersihkeun kamar mandi sabab ngarasa geuleuh lamun ningali kamar mandi anu kotor jeung jorok, komo deui nganggo eta kamar mandi. Anjeunna sahenteuna hayang ngagunakeun kamar mandi kotor kaluar tina geuleuh. Manehna bakal ngarasa keuheul lamun ningali kamar mandi anu kotor sabab manehna ngarasa eta sarang panyakit jeung loba bakteri. Anjeunna malah bisa ngarasa seueul nalika ningali kamar mandi umum anu jorok pisan anjeunna menta ampun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4347", "text": "Meunang undian mah kaasup kana kaberuntungan atawa lamun ceuk urang jawa ngarana bejo. Eweuh sahiji jelema oge anu bakal apal yen bakal meunang undian atawa neangan cara sangkan urang bisa meunang undian panaliti oge eweuh anu bisa ngahitung jeung merkirakeun kaberentungan meunang undian ieu. Lamun nanyakeun carana kumaha sangkan bisa meuang undian jawabana ngan hiji nya miluan, tapi kumaha bisa kapilih eweuh anu apal kumaha bisa. Aya jelema anu beruntung wae di yogya ngarana bu rusmini 57 tahun di yogya. Maneh na mindeng pisan meunang undian, mulai ti payung, rice cooker nepi ka anu terahir meunang saleda motor ti bank yogya, tapi sangkan geus sering meunang undian, bu rukmini anggeur sok ngarasa reuwas keneh lamun meunang undian.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "666", "text": "Basa meunang hadiah umroh tea, urang langsung dibere informasi ku pihak nu ngayakeun undianna mun engke teh bakal dikumpulkeun ti masing-masing regional. Urang nu regionalna Jawa Barat ngumpul di Bandung jeung peserta nu sejenna. Harita rada reuwas da panya teh ngan urang hungkul nu meunang, apek ti regional Jawa Barat oge geus aya sapuluh urang. Geus kumpul kitu arurang di berangkatkeun ka Jakarta. Tapi naek pesawatna mah isuk, jadi dibere tempat sare heula sapoe di Jakarta. Geus kitu, arurang dihijikeun jeung regional sejen, pek teh renyek pisan aya meureun kana 60 orang mah. Ku teu nyangka teh kabeh ditanggung ku undian eta boh eta hotel, tiket PP, jeung sajabana. Ngan ukur nyieun paspor hungkul nu mayar sorangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2494", "text": "Sacara global, panalungtikan ngalibetkeun 10 rébu jalma anu umurna 13-75 taun. Umur 21 nyaéta umur rata-rata dewasa.\r\nIeu mangrupikeun umur dimana seueur jalma ngalaman seueur hal dina kahirupanna, parobahan anu sigana ngagaduhan seueur hartos. Sareng dina umur éta aranjeunna bakal sering kenal sareng seueur jalma, sareng tungtungna ngajantenkeun aranjeunna mendakan babaturanana. Awéwé Boga Leuwih Babaturan. Saterusna, ulikan ogé kapanggih bukti yén awéwé boga leuwih babaturan. Katresna boga sahanteuna leuwih ti hiji sobat deukeut. Beda silaturahmi lalaki jeung awewe.. Babaturan awewe jeung lalaki oge beda. Awéwé condong ngobrol ngeunaan loba hal, ti trivial mun serius tur jero. Kontras jeung awéwé, lolobana lalaki jarang ngobrol ngeunaan urusan pisan pribadi jeung babaturan pangalusna maranéhanana. Tapi sanajan sosobatan maranéhanana henteu kasampak jero teuing di luar, éta lain hartosna maranéhna teu boga solidaritas tinggi jeung jalma anu dipikawanoh salaku babaturan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5711", "text": "Mun manggihan petugas SPBU aya nu ngalakukeun korupsi dina ngeusian tanki kandaraan, urang boga hak ngalaporkeun ka perusahaan nana. Sabab sababaraha kali aya kasus ngeusian tankina teh teu ti nol, tapi diakalan jadi saeutik ngeusianna. Mun meunang kajadian kieu, kahiji urang kudu negur jeung mastikeun eta petugas teh bener apa henteu. Nu kadua nyaeta laporkeun ka pihak perusahaan ngeunaan kalicikan petugasna di lapangan. Mending mun sakali, mun jadi kabiasaan kan ngarugikeun pisan ka pelanggan. Nu katilu, jieun laporan ngeunaan identitas pegawena ka perusahaan, mun bisa foto jalmana supaya leuwih pasti, tong poho bukti struk atawa bukti pengisian tankina oge disertakeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6843", "text": "Basa nuju ngiringan acara di Institut Teknologi Bandung, aya doorprize kanggo peserta. Abdi janten salah sahiji peserta anu disebut nami na. Asalna abdi reuwas lantaran teu apal naha beut digeroan ku panitia. Pas abdi ka payun abdi narima hadiah ti panitia nyaeta powerbank merek Miniso. Abdi bener-bener teun nyangka bakal meunang hadiah ieu, tapi alhamduliah oge ieu powerbank kapake pisan. Ukuran na alit janten teu beurat dibawa ka mamana. Sabener na abdi rada isin oge basa maju ka payun kanggo nyandak hadiah, lantaran abdi ningal aya seeur adi kelas anu ngiringan oge acara ieu kusabab ieu acara kanggo peserta anu bade ngiringan SBMPTN.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1087", "text": "Angin beuki tarik jeung langit oge mulai poek. Sora guntur kadangu ti kajauhan. Tiba-tiba hujan deras mimiti turun jeung deras pisan. Cai ngeueum jalanan jeung buruan imah. \"Geus kajadian deui!\" Ceuk urang nu kasieunan. \"Buru urang kudu neangan tempat anu aman!\" Ceuk indung urang. Urang jeung kulawarga milih ngungi ka tempat nu leuwih luhur. Urang geus nyiapkeun sababaraha barang penting siga cai, dahareun, simbut, obat-obatan, sarat peralatan pertolongan pertama. Perjalanan ka tempat nu leuwih aman teu babari, sababaraha jalan kakeueum ku banjir, jadi teu bisa diliwatan. Untungna berhasil nepi ka tempat nu leuwih luhur jeung aman, urang ngarasa bersyukur lantaran berhasil salamet. Sanajan kaleungitan loba harta benta, tapi masih keneh bisa bertahan hirup.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7487", "text": "Aya sababaraha hal anu tiasa dilakukeun sangkan urang tiasa ngurangan demam panggung, di antarana nyaeta urang tiasa ngabiasakeun datang mimiti. Lamun urang aya rencana bade papanggih jeung jalmi anu seeur urang tiasa datang leuwih awal tipada jalmi anu sanes supados urang tiasa ngobrol heula sareng sababaraha jalmi, lamun urang datang telat pas anu sanesna geus ngarumpul, pasti bakal ditingalikeun, beuki sieun. Urang oge bakal mikir yen batur teh ningalikeun urang, padahal mah can tangtu maranehna merhatikeun urang. Cara anu kadua nyaeta urang tiasa ngabekelan diri urang ku pangaweruh anu seeur sangkan urang moal bingung lamun ngobrol jeung jalmi anu sanes. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5700", "text": "Cara nyanghareupan babaturan nu sok niron karya urang. Nu kahiji nyaeta ajak diskusi ngeunaan karyana, ulik pertanyaan saputar seluk-beluk karyana. Tidinya mun enya bener meunang sorangan mah bakal sinkron jeung nu ditulisna. Nu kadua nyaeta tanya motivasina berkarya eta, sabab mun karyana orisinal mah pasti bakal aya ide pokok nu nyentrik. Nu katilu nyaeta simpulkeun jeung sedekkeun manehna supaya bisa apal kana kasalahan nana jeung moal deui ngulang kasalahan nana. Tong hilap bejaan oge jeung bere pemahaman ngeunaan ide karya jeung kasalahan na sabab geus nyuri karya batur sacara teu karasa. Sabab mun teu dikitukeun bakal hese nyadarna da asa meunang manehna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5176", "text": "Basa wisuda, alhamdulillah abdi kenging predikat pujian. Abdi atoh pisan ngadanguna. Predikat pujian teh dipasihkeun ka mahasiswa nu kenging IPK langkung ti 3.50 jeung masa kuliahna teu leuwih ti opat taun. Tah predikat pujian teh biasana tos diumumkeun pas yudisium atawa kelulusan. Tuluy pas wisuda oge dibacakeun deui saatos nami wisudawan disebut. Alhamdulillah pisan tiasa kenging predikat eta, sabab jeung abdi mah kenging predikat pujian teh sahiji kabanggaan pisan, komo ti kampus universitas nu katelah kualitas na mah. Panghargaan predikat ieu ditangtukeun ku universitas sasuai jeung aturan nu berlaku. Wah pokokna mah bungahna kacida isan, komo pas wisuda mah, disebut na ge dipayuneun kabeh wisudawan jeung orang tua. Pokokna mah bungah pisan we, teu tiasa digambarkeun!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "320", "text": "Pas keur SMA urang boga kabogoh, ieu kabogoh mimiti urang. Tapi urang jeung manehna teu lila, hubunganna putus nyambung. Unggal poe dianteur jemput ka imahna sabalik sakola. Unggal poe oge SMSan atawa teteleponan. Sakapeung mah lamun manehna keur tepang taun urang bebelaan huhujanan neangan toko boneka jang mere manehanana kado boneka nu dipikaresep. Kitu oge manehanana ka urang, pas urang tepang taun ku manehanana di kado. Manehna mere kado nu ku urang butuhkeun. Tapi dihiji waktu teuing kunaon hubungan urang jeung manehanana jadi anggang, padahal mah samemehna teu kunanaon. Nepika harita pas urang ngalewat ka manehanana nu keur diuk, manehanana teu ngalieuk-lieuk acan, urang teu ngarti naon kasalahan urang. Urang ngarasa gagal dina hubungan percintaan ieu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7224", "text": "Ulang taun janten dinten anu biasa-biasa wae kanggo kuring, lantaran ti leuelutik teu biasa ngarayekun ulang taun. Tapi taun ieu mah benten, kuring gaduh rerencangan annu balageur pisan. Pas dinten kuring ulang taun teu nyangka bakal meunang hadiah ti rerencangan kuring. Ti peuting keneh tabuh dua belas maranehna geus siap-siap di hareupeun kamar nyiapkeun kue jeung dekor anu sederhana. Abdi langsung digugahkeun ku rerencangan dititah ka luar kamar, teras langsung dipasihan jaket anyar, sadayana nganggo jaket anu sami, urang langsung ngadua sasarengan menta dihampura di poe abdi nambihan yuswa ieu, teras motong kue, sabari sahur sasarengan lantaran isukna arurang bade saum sunnah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8947", "text": "Baheula, anu karasa ku kuring nalika kuring dibully nyaéta sieun, sieun pisan. Leuwih ti éta, awak kuring teh leuwih leutik tibatan maranehna. Katambah-tambah nu ngabully teh anak jelema beunghar, da kuring mah lain jelema beunghar, teu boga nanaon. Kuring henteu wani ngawartosan ka guru atanapi ka kolot, sabab kuring sieun yén aranjeunna malah bakal ngaganggu kuring leuwih parah. Ampir unggal poé kuring ceurik, asa sesek mun indit ka sakola tapi lain keur diajar, tapi malah dibully. Karunya ka kolot kuring nu geus mayar uang sakola, tapi kuring kalah jadi korban bullying. Kuring bingung sareng teu terang saha anu kedah di nyuhunkeun tulung. Mun baheula teu aya guru nu nempo kuring dibully, meureun kuring masih jadi korban bullying nepi ka lulus sakola teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "274", "text": "Sosok BJ Habibie bisa jadi teladan jang budak ngora. Kabuktian ku disiplin ngabagi waktu. Dina 24 jam bisa ngabagi waktuna kana ibadah, olahraga, aktivitas pribadi, atawa ngobrol jeung tamuna. Ieu oge katinggali dina gelar pendidikanna anu rupa-rupa, mustahil lamun dimeunangkeun ku cara teu disiplin mah. Habibie oge boga rasa hayang nyaho anu gede. Habibie oge pernah ngajabat salaku direktur perusahaan pesawat di Jerman. Tuluy Habibie oge paduli ka kulawargana, ieu katinggali dina film layar lebar ngeunaan BJ Habibie nu mikanyaah pisan ka istrina Hasri Ainun. Hal ieu bisa dijadikeun conto lamun budak ngora kudu bisa ngabagi waktu nu saimbang antara pagawean jeung kulawarga.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3027", "text": "Dina treuk, anu ngabalukarkeun gagalna marake nyaéta ODOL (Over Dimension Over Load). ODOL anu maksakeun rem pikeun dianggo saluareun wates spésifikasina dugi ka tungtungna kaleungitan kamampuan ngahalangan gerakan kendaraan. Samentara éta, dina beus, faktor manusa leuwih dominan, ngabalukarkeun rem teu eureun beus. Loba beus ngalaman kagagalan ngerem alatan kabiasaan supir gagabah. Gagabah, teu ngajaga jarak jeung ngandelkeun rem eureun beus. Padahal sagigireun rem dina roda aya ogé rem knalpot atawa retarder. Dua sabab di luhur bisul kana hiji hal. Suhu rem ningkat sacara drastis sahingga gaya gesekan dina kendang atanapi cengkraman dina piringan marake leungit. Ulah nutup panon anjeun nu aya ogé faktor pangropéa jeung jadwal ngagantian suku cadang nu culprits. Dina pangalaman abdi ieu kajadian kirang sering. Iwal aranjeunna teu waras, sakumaha pelit salaku bos jeung salaku gagabah sakumaha supir, aranjeunna moal wani ngoperasikeun kandaraan jeung masalah marake. Urang jauh leuwih wani ngajalankeun treuk jeung beus nu geus ruksak atawa nu kertasna geus kadaluwarsa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2986", "text": "Kusabab perjalanan kuring teu jauh, jadi kuring nangtung deukeut panto karéta (nyanghareup panto) sangkan leuwih gampang lamun turun. Pantona pérak warnana ku kituna anjeun tiasa ningali dina eunteung sareng ningali pantulan jalma sanés di tukangeun urang. Sesampainya di stasion Kebayoran, kuring turun tina KRL, diuk dina korsi dina platform bari mariksa pesen WhatsApp dina hapé. Teras kuring leumpang nuju jalan kaluar stasion, ngetok kartu, teras leumpang sapanjang jalan pasar milarian beus. Sabot nangtung ngadagoan beus, di gigireun kuring aya urang Baduy maké kaos jeung calana hideung, ikat sirah batik banten, tas selempang nu dijieun tina lawon, teu maké dadampal sampéan. Urang Baduy aya di KRL nangtung tukangeun kuring (kuring nempo manehna tina pantulan panto KRL). Pas turun ti KRL, manehna nuturkeun sarua turun jeung kuring, Anjeunna nangtung pikeun lila di ujung palaron, sarta nalika kuring leumpang kaluar ti stasion, lalaki ieu nuturkeun tukangeun kuring. Tétéla yén jalma ieu sabenerna geus nuturkeun kuring. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5620", "text": "Tilu tips supaya bisa bebas tina antrean nu manjang. Kahiji nyaeta datangna kudu leuwih suhud ti batur. Dayang kudu saisuk mungkin kira-kira samemeh batur daratang supaya teu kudu ngantre, dina ngantre na ge pasti panghareupna. Nu kadua nyaeta indit heula ka tempat sejen nu oge bakal dituju, tuluy balik deui ka tempat antrean. Tungguan kira-kira antreanna geus surud, karek we maju jangan ngantre, paling ge tinggal sababaraha jelema deui. Nu katilu nyaeta pilih lokasi lain. Misalkeun mun ngantrena di tempat makan, teangan deui we outletna dinu tempat sejen supaya teu miluan ngantre. Atawa bisa oge makanan na mesen tina gofood, jadi teu kudu lila ngantre.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2459", "text": "Abdi henteu terang mana anu langkung lega, kuring henteu janten lanceuk, tapi di sisi sanésna urang nyanghareupan kamungkinan anu sanés. Poé isukna sanggeus antrean rada lila, ibu nuju di ultrasound. Hasilna katingali, leres aya benjolan anu disebut Mioma dina beuteung Mamah. Nu hiji geus badag. Geus mangtaun-taun meureun, tapi telat dideteksi. Nyukcruk ka tukang, kamungkinan panyabab anémia sanés tina jantung. Tapi Dr Miom. Dokter langsung nyieun rencana bedah. Samemehna, urang ngan hayang ningali dokter, ujug-ujug urang kudu nyiapkeun rumah sakit poé éta.Sagalana mana gancang. Mamah ngagaduhan jadwal operasi 3 dinten saatosna, sabab kedah ngantosan Hb (atanapi naon waé istilah getihna) janten dl normal. Mamah nampi transfusi getih 3 waluh (sajauh anu kuring émut). Sanggeus dioperasi ngaluarkeun myoma, alhamdulilah indung kuring teu kungsi ngeluh nyeri sirah deui. Teu kaulang deui. Meureun mun ti mimiti Mioma gancang katenjo, teu perlu drama rawat inap di RS Jantung sakalian.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7556", "text": "Pas nuju kapepet pisan kedah mayar kuliah tapi bapana tos teu damel deui rerencangan abdi langsung nginjeum duit ka abdi, tapi hanjakal pisan abdi nuju teu gaduh *artos. Manehna sabenerna geus mgusahakeun kanggo digawe tapi duit ti padamelanna teh teu cekap kanggo mayar kuliahna. Pas dina kaayaan eta manehna gaduh rencana kanggo ulin slot judi lantaran ningal babaturanna aya anu meunang duit loba tina ulin judi eta. Abdi buru-buru mapatahan manehna yen ulin judi atawa ngundi nasib teh mangrupakeun pagawean anu diharamkeun Alloh. Manehna asalna teu apal, tapi pas dibejaan manehna langsung teu jadi ulin slot lantaran sieun kana dosana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "797", "text": "Mimiti pisan nongton konser langsung di Jakarta. Urang kabagian tempat diuk nu rada jauh, lantaran hargana anu murah. Pas konser karek mulai, geus loba penonton nu ngahurungkeun smartphone na bari ngavideo keun lumangsungna acara konser, kitu oge urang. Tapi pas urang keur ngavideo, tuluy dicarekan ku petugas. Petugas eta nyarekan urang ulah ngavideo keun acara konser. Urang rada aneh, naha ari ka urang dicarekan, ari ka batur henteu? \"Pak, deuleu atuh nu ngavideokeun teh lain urang hungkul, tuh deuleu loba batur oge. Da nu penting mah henteu nayangkeun video live konser!\" Geus disentak kitu, si petugas eta ngabalieur bari ngobrol ka petugas nu sejen.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8560", "text": "Ieu sababaraha alesan pikeun henteu era nalika nyarios di hareupeun balarea. Kamampuh nyarita mangrupa kaparigelan anu bisa dironjatkeun ku prakna. Kaseueuran jalma anu ningali presentasi anjeun mangrupikeun pamirsa anu sae anu hoyong anjeun sukses. Lamun nyiapkeun alus, anjeun bakal ngarasa percaya diri jeung biasa nyarita di hareupeun balarea. Tong mikiran naon anu salah, fokus kana naon anu leres sareng naon anu anjeun nyarios. Isin teh normal, tapi ulah ngantep eta ngadalikeun anjeun. Nyarios kalayan yakin sareng percanten kana kamampuan anjeun. Inget yen sarerea ngalaman era jeung gugup nalika nyarita di hareupeun balarea. Terus tarung jeung terus latihan. Tong ngabandingkeun diri sareng batur, fokus kana naon anu anjeun sanggup sareng naon anu anjeun nyarioskeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6406", "text": "Pernah basa nuju bade meser bolu, abdi salah asup toko. Gigireun toko bolu teh aya agen travel, pantona teh pasabeulahan. Kuduna abdi asup kanu kenca, ieu kalah kanu katuhu. Niat rek meuli bolu teh kalahka ditanyaan tujuanna ka kota mana, marukan rek meuli tiket. Abdi tidinya molohok da euweuh bolu sama sekali. Ternyata abdi salah asup, langsung we kaluar buru-buru. Api-api leumpang bari nempoan plang tulisan. Abdi era pisan sabab di jero agen tadi teh loba pisan jalma nu keur nungguan travel. Tah, tidinya abdi boga palajaran berharga nyaeta ulah gurunggusuh, kudu sing taliti kana nanaon teh. Ulah nepi ka salah sabab teu fokus. Kudu tenang jeung taliti kana sagala hal!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8181", "text": "Euis teh ayeuna kelas 3 SMP. Di sakolana manehna kakoncara rajinna. Kabeh guru pasti apal ka nu ngaranna Euis. Manehna sok ngiluan lomba-lomba kaasup olimpiade nasional. Nanging unggal poe teh Euis sieun upami dongkap ka sakola. Sanes sieun ka pelajaranna nanging sieun di-bully ku rerencangan kelasna. Kusabab pinter, seueur murid sejen nu ijid ka manehna, sapertos rerencangan sakelasna. Kusabab mineng di-bully manehna teh janten sieun kamana-mana di sakola. Sieun ka kantin, sieun ka mushola, sieun ka perpus, pokokna loba sieunna. Euis teu ngadu ka guruna kusabab diancem bakal dicegat di jalan saatos balik sakola. Janten ampir 3 taun teh Euis kasiksa kusabab di-bullly.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1414", "text": "Lamun urang ngarasa era ku sabab salah ngageroan ngaran batur, aya sababaraha cara nu bisa dicokot jang mengatasi perasaan era eta. Nu kahiji, urang kudu buru-buru menta hampura ka batur nu kurang salah panggil ngaranna, sanajan menta hampura teu bisa ngaleungitkeun rasa era, tapi hal ieu bisa nunjukeun mun urang ngaku kana kasalahan sorangan. Nu kadua ulah tutuluyan mikiran kasalahan eta, lantaran ngan nyieun urang ngarasa era jeung teu nyaman. Sabalikna, coba jang mikir positif jeung fokus kana kagiatan atawa hal sejen nu bisa ngalihkeun perhatian urang kana kasalahan eta. Nu terakhir urang bisa diajar kumaha carana ngahindar tina kasalahan eta deui kahareupna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6284", "text": "Di daerah lembur abdi mah aya agro hayam nu miara hayam nagari skala industri. Bau tai hayam na teh osok nepi ka perumahan warga, kadang mah malahan limbah tai kotokna teh sok diabrukeun di sawah warga, ngajadikeun warga kakeunaan ku panyakit kulit. Mun keur masa panen hayam, di imah warga teh pasti we loba laleur nu kaliaran pindahan ti agro. Laleur na teh tara adeuh, sok loba pisan jumlahna teh. Laleur na teh nu hejo badag deuihan, lain laleur biasa nu sok aya dina sampah. Mantak sok risih pisan ka kabeh warga, termasuk abdi. Meuni teu kaur dahareun diantep, pasti we diendogan ku laleur badag.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6035", "text": "Basa nuju bade nyebrang ka gang, jol we dipayuneun abdi aya kacilakaan. Abdi keur ngadagoan lowong jang nyebrangkeun motor, eh kalah langsung aya nu cilaka ti gang sebrangeun abdi. Sapedah nyuruntul wae bijil tina gang, katabrak ku motor nu tarik pisan nu keur lurus. Eta nu na sapedah koat mental jauh bari tibeubeut awakna. Abdi nempo kajadian eta dihareupeun soca meuni asa ngeper pisan. Abdi teu bisa nanaon, teu bisa ngomong nanaon, ngan bisa molohok. Tuur teh asa hampang, euweuh saya pisan. Rek indit ngabantuan ge da teu bisa bakat ku ngeper jeiung deg-degan pisan. Teu bisa ngontrol kasieun harita mah da panik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7529", "text": "Tilu taun ka tukang, rerencangan abdi nimu aya hiji tumor dina awakna, dokter nyarankeun manehna kanggo dioperasi, teu aya pilihan anu sanes salian ti operasi lantaran sagala rupi tumor saena mah diangkat, soalna lamun diantepkeun bakalan ngabahayakeun oge. Salian ti eta, operasi oge janten cara supados urang apal, eta tumor teh ganas atawa jinak. Biasana sateuacan dioperasi jeung dilakukeun tindakan, manehna mondok heula di rumah sakit ti sapoe sateuacanna. Manehna oge dititah puasa heula satengah poe nepikeun operasina rengse. Salian ti operasi, manehna oge diinfus heula kanggo nambihan cairan ka awak jeung kanggo ngasupkeun ubar bius. Manehna beuki deg-degan pas mulai diinfus, tapi alhamdulilah operasina lancar. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7863", "text": "Abdi sareng kulawargi kaasup anu taliti pisan lamun meser dahareun di luar, komo lamun meser dahareun anu langsung diemam anu kedah teu dipasak heula. Lamun meser dahareun di luar abdi sareng kulawargi osok ningal heula piring atawa wadah anu dianggo ku tukang dagangna. Lamun wadahna ngan dikeeum ku cai sabun teras dielap make serbet kuleuheu hungkul mah abdi teu resep lantaran kirang beresih. Tempat nyimpen bahan dahareunna oge sok janten tinimbangan. Lamun disimpen langsung dina lomari anu kotor sabari teu dibere alas mah abdi oge moal resep. Matak lamun keur jalan-jalan kaluar biasana abdi sareng kulawargi mah sok mawa nyalira ti imah. Sanajan rada riweuh tapi teu kunanaon nu penting mah tiasa dahar anu beresih. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "342", "text": "Pas ninggali pengumuman LPDP, urang ngarasa sedih, cape, jeung teu sumanget. Nepikeun ka aya saminggu mah rada ngalamun bari gogoleran dina karpet, ari mata mah ninggali kana TV. Sora TV anu gede oge jadi teu kadenge ari bari ngalamun mah. Kitu oge pas ngalaksanakeun sholat, sok ka inget wae. Pas ngadoa pasti wae sok aya cai panon nu turun tina panon. Sabari diusapan ku leungeun nu dipake ngadoa jeung ngupahan diri sorangan. Sakapeung mah dahar oge tara mirasa, saolah-olah eta akhir tinu sagalana. Sanajan teu bebeja ka kolot, tapi maranehna apal. Sok ngahaja ngupahan bari ngusapan punduk atuh sok cirambay deui ku Cipanon.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5195", "text": "Dinten ayeuna mangrupikeun dinten paling bungah sapanjang hirup sabab pun raka bade nikah. Parnikahannana digelar di bumi orang tua abdi. Alhamdulillah saberes acara pagi mapag panganten teh tuluy we dilaksanakeun akad nikah. Suasana akadna ge meuni syahdu, mantak bungah terharu abdi sakulawarga. Beres akad teh nembe we langsung ka acara resepsi. Teu terlalu mewah teuing acarana ge, ngan nu penting berkesan utamana jeung pun raka. Resepsina teh digelar dugi ka sore supaya babaturan jauh nu daratang teh masih keneh bisa ngabadikeun momen foto jeung panganten. Abdi oge teu hilap popotoan sing loba ngabadikeun ieu momen bahagia nu moal bisa kaulang.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4078", "text": "Tahun 2016 tas lulus SMA urang neangan gawe ka jakarta sorangan, naek kareta ongkosna teh keur tilu rebu keneh. Urang ti leuleutik emang geus biasa hirup sorangan jauh ti kolot, jadi pas ka jakarta sorangan urang geus wani. Ceuk batur mah jakarta teh salah sahiji kota anu bahaya, tapi urang percaya asal urangna ngadoa jeung ulah meleng kudu fokus. Trus urang ngontrak di salah sahiji asrama putri anu hargana teh tilu ratus lima puluh ribu eta geus jeung listrik, urang sare dina sajadah teu mawa kasur da karek mimiti di jakarta. Saminggu icing di jakarta akhirna urang menang gawe, urang gawe di salah sahiji pabrik anu deukeut ti kontrakan. Gawena teh di bagian purchasing, da boga pengalaman na di bagian eta. Sabenerna urang bisa ngajalanan hirup di jakarta, tapi mun keur gering urang ripuh. Jauh ti kolot mun gering mah eweh nu ngurus, biasana mun gering urang sok di urusanan ku kolot da budak hiji-hijina. Mani sedih kacida mun keur gering teh, mun berobat kudu sorangan mun rek dahar sagala rupa kudu sorangan eweh nu mantuan. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2858", "text": "Fobia atanapi fobia mangrupikeun sieun anu pengkuh, kaleuleuwihan, teu realistis kana hiji obyék, jalma, sato, kagiatan atanapi kaayaan. Kaayaan ieu mangrupikeun jinis gangguan kahariwang. Beda sareng kahariwang biasa anu samentawis, sapertos nalika anjeun kedah nyarios umum atanapi nyandak ujian, phobia mangrupikeun kaayaan anu permanén, nyababkeun réaksi fisik sareng setrés psikologis. Panyakit mental ieu tiasa mangaruhan kamampuan damel atanapi berinteraksi dina lingkungan sosial anu normal. Alesanana, jalma anu ngalaman kaayaan ieu bakal nyobian ngahindarkeun hal-hal anu nyababkeun kasieun atanapi nahan kahariwang anu ageung. Fobia atanapi fobia mangrupikeun sieun anu pengkuh, kaleuleuwihan, teu realistis kana hiji obyék, jalma, sato, kagiatan atanapi kaayaan. Kaayaan ieu mangrupikeun jinis gangguan kahariwang. Beda sareng kahariwang biasa anu samentawis, sapertos nalika anjeun kedah nyarios umum atanapi nyandak ujian, phobia mangrupikeun kaayaan anu permanén, nyababkeun réaksi fisik sareng setrés psikologis.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8527", "text": "Jalma-jalma ngarasa era nalika ngagem kembar sareng jalma sanes kusabab hariwang yen batur bakal ningali aranjeunna henteu merhatikeun atanapi henteu gaduh seueur baju. Eta oge tiasa disababkeun ku parasaan yen aranjeunna henteu unik atanapi henteu ngabedakeun diri sareng batur. Aya oge sababaraha urang anu ngarasa era sabab ngarasa yen pakean kembar henteu gaya atanapi tren anu dipikahoyong. Ieu bisa lumangsung alatan aya anggapan yen urang kudu boga baju nu unik tur ngabedakeun diri urang jeung batur. Nanging, saleresna, ieu mangrupikeun pandangan anu salah sareng tiasa robih upami urang mikir positif sareng ningali ieu salaku kasempetan pikeun komunikasi sareng ngawangun hubungan sareng jalma sanes.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2634", "text": "Kasus Narkotika di kalangan Polri ngalaman panurunan anu paling signifikan, nyaéta 49,8 persén tina 652 kasus taun 2020 jadi 327 kasus taun ieu. Sanajan kitu, kasus nu patali jeung kajahatan porno sabenerna ngaronjat 11,6 persen tina 77 kasus dina 2020 jadi 86 kasus. Nurutkeun manéhna, usaha pikeun nyegah jeung mitigasi palanggaran anggota Polri dilaksanakeun ku cara nguatkeun soliditas internal, ngawangun kapasitas, nguji kompetensi, jeung babagi masalah/pangaweruh/pangalaman. Samentara éta, cenah, usaha preventif dina bentuk perhatian ti pingpinan, SOP & prosedur, validasi status, mutasi alatan kawijaksanaan pingpinan, sarta sistem pengambilan kaputusan. Kapolri ogé ngaku yén tingkat pelanggaran anu dilakukeun ku anggota Polri disababkeun ku pangawasan internal sareng eksternal maksimal di unggal anggota Polri.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7857", "text": "Kabiasaan budak leutik lamun mawa bekel ka sakola biasana sok tara diseepkeun, teu ngan eta hungkul, biasana oge tempat bekel atawa mistingna teh disimpen di tas, teu dikaluarkeun lantaran poho. Basa abdi nuju ningal tas adi abdi pas poe minggu, abdi ngambeu aya bau dina tasna, sugan teh aya naon, epekteh pas dibuka dina tas manehna aya misting anu can dicuci, di jerona aya sesa dahareun anu geus buruk, geus jamuran jeung bulukan, bauna oge teu kiat pisan pokona mah. Malah bakating ku bauna abdi nepikeun jariji ngumbahna oge, tungtungna mah eta misting teu dikumbah pedah teu aya nu daek ngumbah. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5287", "text": "Pangalaman nu pang kaduhungna nyaeta basa abdi ngiring liburan ka Gunung Gede Pangrango. Abdi di gunung salami tilu dinten tanpa aya jaringan internet atawa sinyal. Pas abdi turun gunng jeung manggih sinyal, abdi buru-buru ngaktifkeun hape. Kacida reuwas pas ningali kabar yen pun mamah teh nuju di rawat di klinik sabab gejala DBD. Posisi abdi harita di basecamp keneh, teu acan tiasa uih ka bumi sabab teu acan aya jemputan travel. Abdi sempet ngarasa kaduhung pisan kalah naek gunung, ai di imah mamah teu damang teu aya nu nungguan. Abdi ngan bisa nangs sedih, bari nungguan eta travel datang terus buru-buru uih ka bumi.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6975", "text": "Salila janten mahasiswa, pandemi janten waktos anu beurat pisan kanggo kuring. Abdi masih keneg inget pisan pas akhir bulan, abdi nyungkeun artos ka mamah jeung bapa kanggo tuang lantaran artos abdu tos seep dipake listrik anu hargana naek. Tapi mamah ngawaler ku kabar yen bapa tos di-PHK ti tempat gawena. Mamah malah miwarang abdi milarian padamelan kanggo minuhan kabutuhan kuliah. Bapa beja yen abdi sigana kedah ereun kuliah lantaran bapa teu aya artos pisan kanggo mayar semesteran. Teu lila ti eta awak abdi muriang, abdi gering tapi teu wani bebeja ka sasaha lantaran kolot jeung kulawargi di imah oge keur susah, abdi teu hoyong nambihan kasusah para kolot. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4340", "text": "Ceuk Allah SWT dina agama islam, Allah teh bakal mere sesuatu anu urang butuhkeun lain sesuatu anu urang hayangkeun. Rezeki pasti aya jeung turun tina waktu anu tepat, rezeki oge moal bisa katuker kabeh geus di atur porsi na jeung cara na. Termasuk rezeki tina urang meunang undian anu teu di sangka. Misalna babaturan urang kamari miluan a acara tv anu ngaran acarana super deal. Maneh na teh sabenerna keur binggung kusabab teu boga duit keur mayar kost an. Manehna teu ngeunah jeung teu tega lamun kudu menta duit ka kolot na di lembur. Sangkan teu pusing maneh na iseng miluan acara tv eta, teu sangka sangka maneh na kapilih keur miluan permainan na. Rezeki maneh na oge bisa maen teu menang zonk, padahal maneh na geus reuwas unggal muka hadiah na tapi maneh na akhirna meunang duit keur mayar kost an.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7339", "text": "Karek oge lima menit bieu ngantosan lampu merah anu lila, ayeuna di hareup tos macet deui. Tapi katingalna eta sanes macet biasa. Pas ditingal jeung ngadangu ti ibu-ibu tukang warung di sisi jalan, ieu teh macet disabakeun ku kacilakaan. Abdi kapaksa ereun heula di sisi jalan lantaran panas pisan. Ceunah mah eta teh kacilakaan katabrak, untungna teu nepikeun aya korban jiwa, ngan getihan hungkul. Palaku tabrak eta teh hampir kabur, janten seeur wargi jeung jalmi anu ningal kajadian langsung nahan eta palaku sabari diambekkan. Seeur oge tukang gojek anu ngagorowokan palaku eta. Untungna pulisi datang, janten lalu lintas tos normal deui.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4429", "text": "Urang salaku manusa bebas mere pendapat urang kana hiji permasalahan, di atur oge ku pamarentahan nagara jeung undang undang na. Anu ngarana mere pendapat pasti henteu kabeh sarua, aya anu satuju jeung henteu satuju etah teh normal jeung wajar kusabab urang teu bisa maksakeun pola pikir jelema pan rupa rupa beda na jeung pendapat urang oge kudu di hormatan ku kitu na sarua oge urang kudu ngahormatan pendapat ti jelema sejen. Jadi lamun urang aya dina situasi keur miluan seminar atawa webinar urang boga hak keur nanya jeung mere pendapat urang teu paduli yen eta pendapat na satuju atawa henteu jeung anu di bahas, tapi sababaraha bulan katukang aya jelema anu ngeusi seminar atawa webinar teh teu tarima jeung henteu daek mere kasempetan nanya kusabab beda. Eta teh salah sahiji sikep teu adil matakna urang berhak negur atawa nyarekan jelema anu kitu kusabab eta hartina tau ngahargaan hak jelema sejen.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1137", "text": "Pernah ka hiji tempat samemehna mah teu apal carita tempatna kumaha, apek teh urut pembantaian masal. Urang apal teh pas dicaritakeun peuting-peuting ku sesepuh ngeunaan tragedi jeung sajarah di tempatna. Keur mah hujan diluar murupuy, beuki ngarasa mencekam. Sieun hal nu kitu teh kajadian deui, komo pas urang aya didinya. Loba sora-sora aneh oge siga nu menta tolong pas peuting teh, tapi tara di waro atawa tara daek kaluar jang nyaho eta teh naon, da ceuk sesepuh oge mun ngadenge kitu di desana ulah ditinggali kaluar, soalna mindeng kajadian tamu anu leungit pas manehna neangan sumber sora eta. Nu matak nyieun ngabirigidig tempat eta teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5183", "text": "Mun urang teu bisa ngaraih prestasi dina akademik, teu nanaon, teu kudu sedih. Urang ge bisa berprestasi di bidang non akademik, jiga dina olahraga, seni, musik, jeung sill atawa kamampuan lainna. Kamampuan akademik teu bisa disaruakeun jeung kamampuan nonakademik, sabab kaduana beda jeung teu bisa pisan jang disaruakeun. Jiga kamari Andi meunang juara hiji lomba catur, kan eta ge prestasi kasebutna. Jadi, ngaranna prestasi teh tong wae kudu dina kamapuan bidang akademik, tapi leuwih luas ti eta. Tah ku kituna, nu can gaduh prestasi dina bidang akademik teu kudu leutik hate, sabab boa kamampuan urang mah ayana dina skill nonakademik. Kamapuan dina bidang nanaon oge pantes jeung kudu dikembangkeun jeung dimaksimalkeun supaya bisa ngaraih prestasi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6056", "text": "Abdi pernah ngalaman dituturkeun batur nu teu dikenal di jalan Soekarno Hatta, Bandung. Mimitina mah abdi make motor jeung babaturan, bari mawa barang loba sabab rek latihan di tempat nu jauh. Keur di tengah jalan, jol ditanya ku saurang make motor. Pas geus ditembal teu wawuh, eh kalah nuturkeun wae teu indit-indit. Lila-lila mah mepetan wae motor abdi. Abdi meuni geus sieun rareuwas. Makin lila makin loba baturna teh, nepi ka opat motor nu nuturkeun. Mepetna teh ti sisi kenca katuhu, jeung ti tukang. Motor abdi teh dikepung, abdi teu wani ngaluarkeun hape sabab bisi direbut. Abdi ngarasa sieun pisan, menta tulung ka motor sejen eh kalah teu aya nu ngawaro, jol baturna deui jol baturna deui nu nembong teh. Abdi meuni sasah sabab euweuh nu nulungan. Salila dua jam diudag ku opat motor, meuni nepi ka rek nubruk motor batur. Abdi sasah pisah, sieun pisan, nyetiran motor ge bari ceurik da bisi labuh dipepet.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2039", "text": "Antara haté bungah narima aya jeung sedih nalika ditolak pamilihan kahiji, nyaéta Matematika. Mangkaning didinya kuring bingung deui sabab ditarima kuliah didinya, bingung ngomong ka kolot (kuring ujian SBMPTN ngaliwatan jalur Bidikmisi). basa kuring ngomong \"Pak/Bu abdi tos katampi kuliah di Jogja UGM\", aranjeunna langsung nyarios lembut \"jadi hoyong kuliah otong teh? Upami kitu, hampura upami engké bapa jeung mamah teu tiasa nyayogikeun artos jang anjeun. kabutuhan nalika kuliah, sadaya anu bapa jeung mamah tiasa masihan nyaéta doa pikeun anjeun\". Nalika kuring ngadéngé éta kecap, kuring sedih, sarta kuring mikir yén dasarna abdi tiasa kuliah, naon kaayaan abdi aya. Alhamdulilah, salami kuliah kuring mayar nyalira tina Bidikmisi, padamelan, sareng les privat. meureun hese ku sabab jurusan biologi teu sagawayah pinuh, gawe teu eureun-eureun nepi ka tengah peuting.ahirna eta ngabuka kayakinan yen kuliah weh heula engke mah rezeki mah nuturkeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "679", "text": "Mariksa kahamilan alusna mah dilakukeun geura-geura, nyaeta pas keur mimiti curiga bahwa urang teh hamil. Soalna aya lanceukna babaturan nu mariksa kahamilanana teh telat, nu balukarna mah berdampak ka indung jeung janinna. Lantaran mun telat mariksa kahamilan indungna bakal telat meunangkeun vitamin jang ngarojong pertumbuhan janin dina awal kahamilan. Tuluy mun kondisi janinna lemah, eta teh disebabkeun ku telatna meunangkeun obat penguat kandungan jadina perkembangan janinna kahambat. Keur mah deuih lamun kahamilannana teh kajadianna di luar rahim, kondisi ieu nyaeta kondisi darurat nu bisa ngabahayakeun nyawa indungna. Eta sebabna mariksa kahamilan kudu dilakukeun geura-geura ngarah dokter oge bisa ninggali kaayaan janin jeung lokasi kahamilanna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6944", "text": "Abdi gaduh rerencangan anu nepikeun ayeuna manehna teu wani nuang sangu lantaran aya hiji kajadian basa manehna masih keneh leutik manehna pernah dipasihan sangu anu kacampur jeung bilatung teras manehna ningal bilatungna masih keneh hirup. Manehna langsung ceurik pas ningal sangu eta teras lumpat ka luar imah jeung teu wani deui asup ka imahna sanajan eta sangu tos dipiceun. Ti kajadian eta tilu poe manehna teu dahar sangu jeung saterusna manehna teu wani ngadahar sangu deui. Janten kanggo sapopoe manehna ngadahar kentang jeung sampeu kanggo minuhan kabutuhan karbohidratna. Butuh waktos anu lami pisan kanggo manehna ngabiasakeun diri jeuang sangu anu bakal manehna panggihan dimamana. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9250", "text": "Cara anu kagenep anu tiasa urang lakukeun pikeun ngaleungitkeun bau awak nyaéta ngalukeukeun relaksasi. Cara salajengna pikeun ngaleungitkeun bau awak nyaéta ngalakukeun rélaxasi teratur, sapertos yoga sareng meditasi. Téhnik rélaxasi ieu dianggap bisa mantuan ngadalikeun stress nu ngarangsang produksi kaleuwihan kesang nu micu bau awak. Katujuh, nyaéta ku ngagunakeun bahan-bahan alami. Bahan alami anu tiasa ngabantosan ngaleungitkeun bau awak nyaéta baking soda. Salian ti dipaké salaku aditif dahareun, baking soda ogé dipikawanoh pikeun neutralisir asam, kaasup asam anu aya dina awak. Pikeun ngaleungitkeun bau awak, urang ngan kedah nyampur ¼ séndok téh baking soda jeung cai haneut saeutik, lajeng dilarapkeun ka wewengkon kelek. Ninggalkeun nepi ka garing tuluy bilas ku cai. Sanajan bisa ngaleungitkeun bau awak, baking soda bisa jadi teu cocog pikeun pamakéan ku jalma nu boga kulit sénsitip.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8483", "text": "Jalma jeung gangguan jiwa, kayaning schizophrenia atawa karusuhan bipolar, kudu ditarima tur dipikaharti salaku individu anu pantes ditarima tur hak maranehanana kaeusi. Aranjeunna kedah nampi tanpa diskriminasi sareng diperlakukan kalayan hormat sareng empati. Di dieu aya sababaraha cara pikeun mantuan nungkulan parasaan geuleuh dina tetempoan hiji jalma kaganggu mental. Aya loba miskonsepsi ngeunaan jalma kalawan gangguan jiwa. Diajar langkung seueur ngeunaan kumaha pangaruhna sareng cara ngabantosan aranjeunna tiasa ngabantosan ningkatkeun persepsi sareng ngaleutikan parasaan jijik. Jalma anu ngagaduhan gangguan jiwa mangrupikeun individu anu unik, sanes ngan ukur definisi kaayaan medisna. Fokus kana positip sareng kualitasna. Milarian ngartos sareng ngarasa empati kana kaayaan aranjeunna. Eta bisa ngalaman kasusah emosi hebat.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6265", "text": "Toilet umum teh biasana sok terkesan jorok di mata masyarakat. Tah tilu tempat nu dikenal toiletna jorok pisan teh nyaeta kahiji toilet di terminal. Biasana nu make toilet umum di terminal teh lolobana bapak-bapak jeung jalma saliwat nu nungguan bus. Toiletna teh sok tara aya caian, jeung jorok pisan, bau rokok nu mantak seueul. Nu kadua nyaeta toilet tempat wisata. Biasana toiletna sok loba sampahan jeung deuih sempit jeung kumuh pisan. Nu katilu nyaeta toilet sakola. Biasana toilet sakola mah sok tara aya caian, sabab terbatas tea aliran caina. Jeung deuih jaramg diberesihan ku siswa, kudu wae ku penjaga sakola. Mantak ripuh, tara aya beresihna we toilet di sakola mah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9538", "text": "Ibu katingali bungah pisan nalika anjeunna tiasa mendakan poto anjeuna keur rumaja. Anjeunna senyum nalika nempo potona, siga ngarasa balik deui kana waktu jeung ngemut-ngemut deui unggal memori nu kacatet dina pikiranna. Anjeunna bagja pisan sabab tiasa mendakan poto saatos mangtaun-taun milarian. Anjeunna terus neangan ka sabudeureun imah jeung di unggal juru, tapi teu kapanggih. Nanging, tungtungna mendakan eta poto di tempat anu teu kaduga - dina album anu aya di juru lomari. Manehna ngarasa saolah-olah geus manggihan hiji harta anu berharga pikeun manehna. Anjeunna teu bisa nahan kabungahan sapopoe. Anjeunna mere unjuk eta poto ka kulawarga sareng rerencangan, bari nyarioskeun unggal memori anu indah anu kacatet dina poto eta.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2864", "text": "Numutkeun APA dina 2013 yén phobia husus mangrupa salah sahiji gangguan psikologis anu\npaling umum, ngeunaan 7-11% tina populasi umum. Aya\nHiji studi di Indonésia kapanggih 6,3% barudak umur 3-5 taun ngalaman fobia sakola. Salian ti éta\naya survey yén dina sataun dilaporkeun aya 9% kasus\nphobia husus kalawan Prévalénsi likelihood individu ngalaman phobia nu\nhusus ngeunaan 10% -13%.\nSalah sahiji gangguan psikologis nu condong lepas pikeun\ntaun atawa dekade lamun diurus suksés\nnyaéta phobia husus. phobia husus mindeng dimimitian dina budak leutik. Dina\npaling barudak anu ngamekarkeun kahariwang obyék\natawa kaayaan husus, tapi hal ieu bakal ngaliwatan waktu tapi on\nDina sababaraha urang, kahariwang ieu bakal maju ka phobia kronis\nsignifikan sacara klinis", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4688", "text": "Inget pisan basa sakola SMP urang pernah nepi ka sieun balik ka imah kusabab sieun di carekan ku bapak lantaran nilai raport urang goreng jeung teu meunang rangking. Di kulawarga urang nilai jeung rangking di kelas teh penting pisan komo keur bapak, manehna ngabogaan prinsip yen kudu sakola sing getol tur pinter ulah loba ulin. Tapi basa eta urang emang keur badeur badeur na beuki ulin pisan jeung resep kana artis, jadi mindeng begadang teu sare nepi ka peuting sangking embung tinggaleun nongton acarana. Di sakola oge sarua babaturan keur resep kama artis eta, jadi urang di sakola kalah ka ngobrol wae lain merhatikeun guru jadi weh nilai na goreng.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6923", "text": "Aldi mangrupikeun lalaki anu getol ngurus kulawargana. Anjeunna dipikacinta indungna, bapa jeung adina. Anjeunna teu pernah hilap ngadukung kulawargina dina sagala cara anu anjeunna tiasa. Hiji dinten, Aldi meunang kabar anau kirang sae. Bapana pupus lantaran serangan jantung. Aldi sedih pisan. Anjeunna ceurik sadidinten sareng teu tiasa tuang. Manehna ngarasa teu aya guna na lantaran teu bisa ngalakukeun nanaon pikeun nyalametkeun bapana. Pikeun ngahibur dirina, Aldi nyobian ngalakukeun hal-hal anu dipikaresep ku bapana. Manehna lalajo acara televisi nu dipikaresep ku bapana, maca buku karesepna, jeung lalajo film nu dipikaresep ku bapana. Anjeunna ngarepkeun ieu tiasa ngabantosan anjeunna ngaleungitkeun sagala kasedihna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2614", "text": "Ligia Giay, panalungtik ti Murdoch University, Australia, jeung Budi Hernawan, panalungtik ti Universitas Indonesia, geus nétélakeun yén lamun jalma nyebutkeun pangwangunan bakal nyugemakeun masarakat Papua, ieu rasisme anu nyebutkeun urang Papua teu boga kapasitas pikeun niténan, nganalisis jeung ngarti sajarah sorangan.\nPatarosan na, sabaraha lila mitos ieu bakal lepas? Aya sababaraha tanda anu nunjukkeun yén generasi anyar urang Indonésia geus mimiti narima kanyataan yén urang Papua geus bisa nyaho jeung nyebutkeun naon maranéhna rék. Generasi ieu naroskeun naha aranjeunna masih hoyong ngadukung paripolah sareng ideu baheula - kekerasan, rasisme sareng karusakan - sareng naon anu tiasa dilakukeun pikeun masa depan anu beda dibandingkeun ayeuna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2233", "text": "Umur sepuh saleresna mangrupikeun fase dimana seueur jalma ngarepkeun katengtreman dina kahirupanna. Tapi dina kanyataanana, teu sadaya jelema meunang tuah éta. Numtkeun survei ti BPS: Sakurang-kurangna 2,3 juta manula, nyaéta warga umur leuwih 60 taun, diungsikeun. Ieu alatan kamiskinan sarta kurangna daya dukung. Kawas hiji nini nu hirup nyorangan. Dina umur anu henteu ngora deui, nini ieu nyobian nafkah ku ngajual buah. Nini minah teh salah sahiji sepuh anu masih berjuang nyalira dina umur anu pohara. Nini minah papisah jeung budakna. Ngajual buah mangrupikeun jalan anu dipilih ku Eyang Minah pikeun hirup supados salamet. Tapi hanjakalna, ngajual buah sering henteu laris.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4449", "text": "Parsaingan dunia pagawean jaman ayeuna geus hararese pisan, hese na teh geus teu umum. Hal anu kieu anu ngajieun loba jelema hoream lamun neagan pagawean, urang lamun teu boga jelema anu kenal anu bisa mantuan bakal hararese, can deui sogok sogokan duit sigana ayeuna geus lain hal anu aneh deui. Babaturan kamari ceunah karek eureun di gawe, manehna ujug ujug di salah salahkeun wae ku babaturan anu sabagean di gawe jeung manehna oge ku bos na. Babaturan urang padahal di gawe geus sasuai siga biasana tapi angger weh kamari kamari sok di salahkeun wae teu puguh alesan nana. Babaturan urang jelas teu tarima yen di salahkeun wae tapi teu jelas, nepi ka ahirna babaturan urang apal yen eta teh di hajakeun, emang manehna di paksa kaluar gawe kusabab aya dulur na bos anu erek asup nyokot pagawean na. Babaturan urang ambek jeung ngarasa ieu teh teu bener henteu adil.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1140", "text": "Mun keur naek motor, sok kapikiran wae rem motor sorangan blong. Soalna ieu bisa ngabahayakeun urang oge pengguna jalan sejenna. Matak mun inget mindeng eureun heula di sisi jang ngecek rem, sanajan di imah oge geus di cek samemeh dipake teh. Sok inget kasus anu di Bogor gara-gara rem blong bisa newaskeun loba jelema. Tah sok kapikiran kitu, komo pas keur pudunan mah nu fungsi rem teh berguna pisan, mun teu ngerem bisa fatal, bisa-bisa nubruk batur. Ku sabab kitu, ayeuna mah sok rutin ka bengkel teh jang nyervis salian ti ganti oli oge dicek remna bisi geus kering kampasna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5125", "text": "Poe ieu teh jadwal pangumuman ujian fisika jeung matematika. Jiko ngahaja ka sakola rada beurangan supaya teu nungguan lami pengumumanna. Jiko ka sakola jam salapan bari santai leumpangna. Enya weh, teu lila dugi ka sakola teh aya pengumuman nilai ujian matematika di tempel di mading. Alhamdulillah hasilna Jiko lulus, teu remedial. Jiko bungah ningalina, sabab nu lulus ngan aya tiluan, kaasup jeung manehna. Jiko bersyukur pisan. Teu lila, selang satengah jam, kaluar nilai ujian fisika. Pas ditingali, alhamdulillah oge lulus jeung deuih nilaina pangalusna. Jiko kacida pisan bungahna bisa naklukeun eta dua mata pelajaran nu hese. Tos ningali pangumuman mah, sabab teu aya nu kudu di remedial, Jiko uih ka bumi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2066", "text": "Kuring rutin miluan program seru anu diayakeun ku salah sahiji pasar online di Indonesia, nyaéta Bukalapak. Sababaraha waktos kapengker aya bewara dina hp abdi yen abdi teh juara ti serbuseru, saatos abdi muka linkna ternyata anu ngirim bewara teh ti pasar resmi. Kuring meunang ieu. Tangtosna, kuring bagja pisan sabab kuring parantos lami hoyong barang ieu. Sanggeus kira 1 bulan datang hadiah. Alhamdulilah, barang sasuai jeung anu dijangjikeun, teu ngaluarkeun duit sapeser pun, teu aya ongkos kirim. Nepi ka ayeuna kuring masih rutin nuturkeun program serbuseru. lumayan misalkan rezeki nu nyaho kan gusti sing weh bisa meunang undian nu dikahayang deui.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4702", "text": "Suntikan teh ngarujuk ka alat nyaeta jarum suntik atawa alata anu di pake pikeun ngasupkeun obat kana awak anu cara na di tojoskeun make jarum. Suntikan ieu biasana di gunakeun dileungeun biasana bagean leungeun luhur. Suntik mangrupikeun metode nyuntikkeun cairan kana awak nganggo jarum. Dina praktek medis, cairan anu disuntikkeun kana awak pasien ku cara suntikan nyaeta ubar jeung vitamin. Suntik jadi salah sahiji metode efektif tibatan ngirum obat biasana. Tapi meski kitu loba jelema anu sieuneun di suntik jeung leuwih milih riweh minum obat anu loba tibatan di suntik anu ngan sakali hungkul, Kasieunan di suntik ieu rupa rupa aya anu nepi ka ngadeg deg nepi kaleuleus lamun rek di suntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5666", "text": "Kadang dina kahirupan teh sok aya waktu di mana urang keur hoream pisan ngaladenan batur, komo nu teu penting mah. Kadang mah sok teu tangtu penyebabna kunaon, hayang na teh ngan ambek we tuluy alim amprok jeung batur. Biasana mun keur kieu teh aya pikiraneun nu beurat pisan, misalna kekhawatiran dina dunia pagawean, dunia akaddmik, jeung sajabana. Teu wani ngedalkeun naon nu dirasa ge bisa micu perasaan jiga kieu. Hoyong na teh sorangan we, hoream panggih jeung batur pisan sabab bisi kahulag. Kadang mah nepi ka amuk-amukan sorangan sabab jengkel nu teu pararuguh. Mun dina istilah ayeuna mah ngaranna teh mood swing.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "678", "text": "Pas apal hamil, tangtuna perasaan bakal campur aduk. Rasa bungah sabab hayang mibogaan anak dibarengan ku rasa kaget lantaran anu ditungguan ti baheula teh ayeuna tereh bijil. Tidieu urang geus kudu nyiapkeun tabungan jang lantaran saenggeus hamil bakal aya loba biaya tambahan nu diperlukeun, siga mariksa kandungan, persalinan, sarta perlengkapan bayi. Tah tidieu kudu ngamimitian jang nabung bareng jeung pasangan, ngarah engkena teu ngarasa kasusahan dina hal duit. Soalna mun hamil mimiti, can apal sakumaha duit nu kudu diperlukeun. Kumargi kitu, euweuh salahna nabung ti anggangna ngarah engke teu kaget atawa teu riweuh pas proses kehamilan. Ku persiapan anu sae, tangtuna bakal ngarasa leuwih tenang dina ngajalankeun proses kahamilan nepikeun ka proses persalinan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4320", "text": "Lamun naek kendaraan umum saperti pesawat atawa beus jeung nu sejena urang kudu tepat waktu pisan, lamun telat urang bisa katinggaleun. Utama na pesawat, pesawat teh aya jam hususna anu geus di atur, kusabab pan pesawat mah mangkatna kudu gantian teu bisa sangeunahna sorangan , lamun urang geus katinggaleun nya enggeus hartina urang kudu meuli tiket deui. Matakna lamun rek naik pesawat komo penerbangan luar negeri urang kudu geus mangkat ti tilu atawa opat jam samemehna ameh teu katinggaleun. Kusabab bakal aya proses anu lila samemehna, ti mulai check in, asupkeun bagasi jeung imigrasi. Lamun nepi katinggaleun geus lain reuwas ngahelap deui rasana tapi nyeri hate kusabab tiket na oge mahal.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4380", "text": "Naon wae anu urang hayang bisa jadi hade kudu dimimitian ti diri urang sorangan. Kitu deui, upama urang mikahayang kanyamanan di tempat umum, mangka ti diri urang sorangan urang kudu ngamimitian sangkan kanyamanan ieu bisa diciptakeun. Salah sahiji kaayaan anu kuring alami dina nyiptakeun kanyamanan anu dimimitian ku sorangan nyaeta budaya ngantri. Lamun urang na teu nyiptakeun atawa sabalikna anu aya kaayaan na ricuh. Aya caritakeuneun yen basa rek lebaran tahun kamari basa nagbagikeun zakat fitrah di daerah urang teh ricuh kusabab aya hiji jelema anu nyorobot antrian. Gara gara hiji jelema anu teu tartib eta, jadi na maneh na di carekan ku loba jelema anu sejena. Tungtung na gara gara eta, maneh na jeung anu lian na teu waka meunag zakat fitrah na. Ngabagikeun zakat fitran na ereun kusaban kaayaan teu bsa di kendalikeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3274", "text": "Aya sababaraha hipotesis pikeun ngajelaskeun naha jalma tiasa gaduh phobia sieun jeung jijik ka darah jeung ambuanna ieu. salah sahiji argumen anu cukup kuat nyaéta \"Hipotesis Ancaman Paleolitik\". Hipotesis ieu dirojong ku warta yén sinkop Vasovagal langkung umum di awéwé sareng murangkalih, sedengkeun di murangkalih, aranjeunna tiasa ngatasi fobia nalika pubertas. dina Hipotesis Ancaman Paleolitik dijelaskeun yén fobia ieu tiasa hartosna panyalindungan biologis pikeun awéwé sareng murangkalih di jaman kuno. lamun pasea manusa lumangsung, maranéhna moal ditelasan di daze. tapi ogé dijelaskeun yén hipotésis ieu sabenerna masih dina wangun spekulasi. Sinkop Vasovagal teu tiasa dihindari. Anu ngalaman kaayaan éta tiasa ngirangan épékna ku ngagolér sareng ngangkat suku nalika gejala ieu kajantenan. Lamun teu mungkin keur ngagolér, maranéhanana ogé bisa diuk jeung nempatkeun sirah maranéhanana antara tuur maranéhanana. Hal ieu ngajadikeun gravitasi bisa mantuan aliran getih ka uteuk.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5244", "text": "Basa nuju alit, Roni resep pisan lulumpatan udag-udagan jeung babaturan nana. Ti isuk nepi ka burit teh euweuh kacape udag-udagan wae. Hiji waktu, keur anteng udag-udagan, aya anjing ngaliwat ka tempat ulinna. Anjing eta teh tuluy ngudag Roni jeung babaturan nana. Roni kalap lumpat sakitu tarikna, tuluy naek kana tatangkalan. Babaturan na oge sarua, naek kana pager imah batur. Keur di luhureun tatangkalan, Roni digonggongan wae ku anjing nu di handap. Roni ceurik da soak teu bisa kamana-mana. Roni gogorowokan nyauran indung bapana. Teu lila aya satpa liwat, tuluy ngusir eta anjing nu ngudag Roni. Geus euweuh anjingna, Roni tuluy turun tina tangkal jeung balik dianterkeun ku pa satpam Tidinya Roni kapok moal deui ulin ka komplek eta.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3319", "text": "Kismis mangrupikeun Kadaharan Pangkotor, Ieu Bahaya. Orok jeung barudak ngora utamana rentan ka paparan péstisida, sanajan dina tingkat low. Janten, peran kolot penting pisan pikeun nyandak tindakan pelindung pikeun murangkalih, saur Dr Philip Landrigan, ahli epidemiologi murangkalih. kolotna kudu masihan barudak sayur jeung bungbuahan salaku lauk kalawan kismis lamun aranjeunna mindeng dahar aranjeunna. Salian ti kismis, bungbuahan garing séjénna ogé bisa ngabahayakeun pikeun kaséhatan urang. Contona, anggur bodas garing ngandung sulfit nu bisa ngabalukarkeun réaksi alérgi di sababaraha urang. Kismis, anu sering janten hiasan dina roti, henteu ngan ukur kauntungan, tapi ogé karugian. Tétéla, kismis mangrupikeun salah sahiji tuangeun anu paling kotor sareng sarat péstisida.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5673", "text": "Mun keur ngarasa jengkel ka suatu hal, urang kudu bisa sabar nyanghareupan nana. Ulah nepi ka kabawa ku emosi, tapi kudu bisa ngendalikeun emosi. Kudu dilobakeun istigfar jeung inget ka Gusti Allah SWT. Mun aya jengkel ka batur ge kudu inget yen ngedalkeun kajengkel mah ngan bakal ngarugikeun diri sorangan. Jadi, dari pada dirugikeun, mending we kontrol emosina, loba istigfar jeung dzikir. Boa eta teh cobaan jang urang supaya bisa leuwih sabar jeung diajar ngambil hikmah tina sagala rupa nu terjadi. Tong hilap istigfar supaya kajengkelna tereh leungit tina awak urang. Yuk urang biasakeun loba istigfar jeung loba eling ka Allah supaya dipaparin kasabaran!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6917", "text": "Sonten ieu balik gawe abdi langsung balik ka imah. Pas nuju muka laptop, bade nuntaskeun sababaraha gawean. Pas abdi nuju ngacek email jol aya email ti kantor. Awalna mah abdi mikir ieu email gawean atawa ondangan ti kantor. Tapi pas abdi maca epekteh eta email PHK ti kantor. Abdi mastikeun sababaraha kali, maca deui emailna lantaran teu percaya abdi bakal di-PHK sagancang ieu ti kantor ieu. Anu leuwih nyieun abdi kuciwa nyaeta abdi di-PHK ngaliwatan email. Bener-bener teu nyangka. Tapi untungna abdi masih keneh meunang gaji paneuri. Anu tadina abdi bade nuntaskeun gawean, teu jadi lantaran ayeuna abdi statusna sanes pagawe di kantor eta deui.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1079", "text": "Hiji waktu dina kaayaan nu tiris jeung surem, urang ngarasa gelisah jeung geumpeur lantaran urang kudu indit ka dokter jang disuntik. Urang geus ngarasakeun rasa cemas ieu ti peuting keneh, jeung beuki lila beuki sieun. Pas geus nepi klinik oge urang ngarasa kaku jeung ngaderegdeg. Kitu oge pas asup ka ruangan, urang ninggali jarum suntik anu diteundeun dina meja. Katinggalina gede pisan jeung pikasieuneun, siga alat penyiksaan. Urang ngarasa leungeun urang kesangan jeung ngarasa gelisah pisan. Pas jarum keuna kana kulit, urang ngarasakeun sensasi anu nyeri pisan. Saenggeus eta urang ngarasa cape jeung leuleus. Urang ngarasa yen urang geus terluka jeung disiksa sacara emosional oge fisik ku jarum suntik eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2056", "text": "Kuring sakali-kali nabung salila sataun pikeun meuli HP anu RAM anu loba pikeun bisa maen Mobile Legend jeung Plants vs Zombies 2. Duit saku rata-rata waktu harita kira-kira 20 rébu rupiah, jeung teu eureun-eureun. promo ojek online, jadi unggal poe dahar sarupa kitu. , mie pithik atawa sangu campur jagong/tempe, sabab hargana murah. Sanajan kudu jauh, tapi mun niat mah teu sadar, ti dinya kuring diajar yén tétéla nabung téh penting. Babaturan kuring nu boga duit saku ratusan rebu sapoe, teu kungsi bisa nabung lantaran boros. nah didinya tapi kuring ngarasa bangga pisan bisa meuli hape yen make duit pribados.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5654", "text": "Poe ieu teh poe Senen, Azka kabagean jadi pemimin pasukan upacara di sakolana. Azka indit ka sakola jam genep kurang lima belas menit make motor. Di jalan, Azka kena macet parah isuk-isuk sabab aya kacilakaan di hareupeun pabrik. Jadi jalan na teh katutup kunu kacilakaan. Geus satengah jam Azka nungguan dina kamacetan. Azka bari geus keuheul bisi kabeurangan sabab geus jam tujuh kirang sapuluh menit. Azka masih keneh kajebak macet, meuni ambek pisan kana kaayaan macet, tapi da teu bisa kukumaha. Jam tujuh leuwih lima menit jalan geus mulai bisa maju, Azka buru-buru seseleket dinu macet supaya tereh majuna. Jam tujuh leuwih lima belas menit Azka nembe nepi ka sakolana. Pas pisan upacara na rek dimulai. Tuluy Azka baris we ditukang, posisina digantikeun ku batur.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3398", "text": "Lamun hutang teh keur modal jeung untung mah teu jadi masalah. Kuring ngarasa boga loba hutang téh kawas mawa batu badag dina taktak kuring nu kudu dibawa ka mana-mana sanajan saméméh sare, bade dahar jeung sagala kagiatan abdi. Tapi aya hal-hal anu \"positif\" upami kuring nyarios positif, hutang ngajantenkeun otak kuring langkung aktif, gancang kumaha mayarna, ieu ngan pangalaman pribadi kuring, sabab dasarna nalika kuring ngariung. Sanes penjahat tapi kuring kudu nanggung sabab anu ngahutang éta mangrupikeun jalma anu dipikacinta di kulawarga kuring. Kusabab kabeungharan hutang, kuring langsung leungit 15 kg dina sabulan, sadaya aset anu kuring gaduh (bagian tina Tanggung jawab upami Robert nyarios) kecuali kebon, kuring langsung nawiskeun ka babaturan sareng baraya pikeun dijual kusabab kuring hoyong pisan. geura lunaskeun hutangna, malah imahna langsung ditawarkeun ka baraya, hanjakal jual beli imah dina mangsa pandem ieu teh teu gampang (enya kajadian teu lila), akibatna kudu dijual murah. sabisa-bisa. Hiji hal anu nguatkeun kuring dina waktos éta nyaéta kecap-kecap ti jeroeun poé. \"Éta kuring masih untung yén kuring masih gaduh barang anu tiasa dijual pikeun nutupan hutang, kumaha upami anu teu gaduh.\"", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6922", "text": "Salaku lulusan SMK anu teu sempet kuliah lantaran langsung gawe sabenerna abdi oge gaduh cita-cita hoyong kuliah. Abdi kabita ka babaturan anu tiasa diwisuda, meunang gelar jeung leuwih dipikahormat ku jalmi anu sanes. Pas abdi tos gaduh pagawean abdi nyobian daptar kuliah di salah sahiji kampus swasta. Abdi daptar di program kanggo kelas karyawan supados abdi tiasa digawe sabari kuliah lantaran abdi mayar kuliah make duit gaji meunang gawe. Mamah jeung bapa teu sanggup nyakolakeun abdi nepika perguruan tinggi lantaran biayana lumayan badag. Tapi pas nuju kuliah abdi meunang kabar yen abdi di-PHK sareng lima puluh pagawe anu sanesna lantaran pausahaanna bangkrut. Abdi reuwas jeung teu kapikiran kumaha carana ngalanjengkeun kuliah tapi teu aya duit lantaran tos di-PHK.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8541", "text": "Karasa pisan lamun katewak ngalakukeun hal anu goreng, sabab biasana nyiptakeun era sareng kasalahan. Jalma bisa ngarasa teu nyaman jeung sieun keur ditarima atawa ditarima ku batur. Ieu bisa mangaruhan kapercayaan maranehanana sarta nyieun aranjeunna ngarasa inferior sarta teu nyaman dina situasi sosial. Aya oge rasa inferioritas jeung era pikeun ngaruksak ngaran alus sarta reputasi. Sakapeung, aya rasa kuciwa dina diri anjeun sabab anjeun teu tiasa ngeureunkeun diri anjeun ngalakukeun ieu. Nanging, penting pikeun diajar tina kasalahan sareng nyobian henteu ngulang deui tindakan eta di hareup. Rasanya tidak enak dan malu ketika diketahui melakukan hal buruk. Ada perasaan bersalah dan takut akan hukuman atau dampak negatif dari tindakan tersebut. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3033", "text": "Kacilakaan lalu lintas sareng rem gagal parantos lumangsung sababaraha kali. Dina taun-taun ayeuna aya 14 kasus kacilakaan utama anu disangka disababkeun ku rem. Sanajan kitu, usaha pencegahan asalna ti Rem Blong masih teu katempo. Rem anu jadi cukang lantaran sababaraha kacilakaan, tangtuna ieu téh kudu jadi perhatian anu penting sangkan henteu kajadian deui. Kasus kacilakaan anu asalna tina rem ngan difokuskeun saatos kacilakaan sapertos nanganan korban, asuransi sareng maksakeun hukuman ka supir anu dianggap tanggung jawab, sedengkeun anu nyababkeun kacilakaan éta sorangan sapertos rem gagal henteu kantos dituturkeun sareng dianggap parantos réngsé. Kacilakaan di jalan lumangsung alatan sababaraha faktor, nya éta Faktor Sarana, Infrastruktur, Manusa jeung Lingkungan. Teu ilahar pikeun kacilakaan lumangsung salaku hasil tina kombinasi faktor ieu, sarta umumna kacilakaan lumangsung alatan sababaraha sabab saling patali. Éta ogé penting pikeun ngarti yén unggal supir ngagaduhan tanggung jawab pikeun ngalaksanakeun pangropéa sareng cek sateuacan angkat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8978", "text": "Cara salajengna pikeun ngatasi kasieun disuntik nyaéta terapi paparan. Ti batan ngajauhan jarum, leuwih sae lamun urang némbongkeun kawani nyanghareupan rasa sieun ku cara ngabiasakeun rasa sieun nu aya. Dina pengobatan médis, téhnik ieu mindeng disebut terapi paparan. Terapi paparan biasana dipigawé lalaunan ngaliwatan sababaraha tahap. Tingkat hiji: Ningali gambar suntikan. Tingkat dua: Ngadangukeun katerangan batur ngeunaan makéna. Tingkat tilu: Ningali jalma sanés nukeur disuntik. Tingkat opat: Nyentuh jarum suntik. Tingkat lima: Nampi suntikan. Larapkeun metode terapi paparan ieu supados anjeun henteu sieun disuntik deui, lalaunan mimitian ti tingkat hiji. Anjeun panginten kedah nyobian langkung ti sakali sateuacan anjeun tungtungna tiasa ngaléngkah ka tingkat salajengna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2143", "text": "Dumasar analisa pribadi & merhatikeun kamajuan kinerja perusahaan sigana tetep beroperasi sanajan tacan pulih 100% s. Bank sareng ekonom dunya ngaramalkeun yén dina taun 2023 bakal aya krisis ékonomi, khususna pikeun nagara-nagara anu gumantung pisan kana pasokan kabutuhan dasarna (pangan, tanaga, jsb.) ti nagara-nagara sanés. Najan kitu, urang salaku warga nagara anu alus kudu waspada tapi ulah sieun sabab salaku jalma anu beriman kudu yakin yén Allah salawasna ngaberkahan satiap usaha anu dilakukeun ku manusa sahingga urang kudu bersyukur sarta terus ngarojong kana program anu geus dijalankeun ku pamarentah. kapasitas urang masing-masing. kumargi prihatin ka kasiapan eta pamecatan hubungan kerja bakal leuwih seer deui upami memang jadi resesi teh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2170", "text": "Sajujurna, kuring ayeuna jadi budak bandel, teu pernah ngadéngé omongan kolot, malah sok ngalawan. Kitu meureun ti leuleutik mah sok di ajar keras, digebugan, diciwit, dikurung di kamar mandi, diséréd di tempat umum, disiram cai émbér, malah digebugan ku sapu gagang kai nepi ka peupeus gagang sapu. Indung kuring ngalakukeun éta sadayana. Ti leuleutik mah sok rengking kahiji, tapi teu pernah reueus, diciuman, malah dipuji. Pikeun indung kuring, nurut ka kolot mah kawajiban nomer hiji. Kuring sok ngusahakeun hal-hal anu hadé ti mimiti meunang kelas nepi ka ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler, tapi kuring masih teu meunang perhatian saeutik. Nepi ka ahirna dina hiji poé, kuring nyaritakeun kalakuan indung kuring ka sobat kuring, waktu harita kuring masih SMP. Ceuk babaturan kuring \"mangka, tong sok ngabantah, tinggal diam\".", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2876", "text": "Tah peutingna kuring sare di imah nini (imah nini gigireun imah bibi kuring). Waktu harita kuring sare jeung si bibi, kuring sare di gigireun tembok supaya teu ragrag bari sare. Waktu kuring ampir sare. Kuring nempo hantu Kunti di tukangeun bibi kuring, melong ka kuring, mun inget mah pikasieuneun, tapi anehna mah waktu keur leutik mah teu ngarasa sieun sanajan kuring pengecut. .langsung sare. Ku jalan kitu, si Kunti anu ku kuring ditingali teh make baju bodas beresih, buukna estu awur-awuran jeung panjang (teu apal sabaraha lilana), panonna gede pisan, monconol deui, terus kabeh panonna siga nu teu boga bola panon.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5953", "text": "Dina ajaran Islam mah, sakaratul maut teh nyeurina euweuh tandingan nana salila di dunia. Tapi oge disasuaikeun jeung amalan. Mun amalan na hade mah bakal maot khusnul khotimah jeung babari dina ngaliwatan sakaratul mautna. Mun lolobana amalan goreng mah bakal maot suul khotimah, tah eta nu bakal nyeuri kaliwat saking mah dina sakaratul mautna teh. Mantak, mun hoyong dibabarikeun dina perantara hirup jeung maot teh kudu lobakeun amal kahadean salila di dunia. Ulah nepi ka loba nanam kagorengan. Lobakeun nabung amal jariyah jang di alam salanjutna, oge lobakeun amalan hade supaya babari dina urusan menuju ka alam salanjutna nyaeta alam akherat. Mantak, yuk urang perbaiki diri jeung lobakeun amalan hade supaya bisa salamet di dunia jeung akherat!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7873", "text": "Poe ieu abdi angkat kuliah ngangge acuk anu dipasihan ku rerencangan abdi, ceunah mah acuk ieu teh nuju usum di jaman ayeuna. Abdi nganggo acuk eta lantaran teu aya deui acuk anu tiasa dianggo lantaran kalalotor. Abdi teu nyangka bakal nimu sababaraha jalmi anu nganggo acuk nu sami sareng abdi. Kahiji abdi patepang jeung jalmi anu nganggo acukanu sarua jeung abdi dina angkot. Untung we di angkot ngan aya arurang duaan. Kadua, basa abdi nembe dugi pisan ka kampus abdi ningal aya jalmi anu nganggo acuk nu sarua deui di kantin kampus, abdi buru-buru kabur lantaran era lamun ngaliwatan manehna. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "670", "text": "Imas teu nyangka manehna hamil deui lantaran umurna nu geus kolot. Mun diitung-itung mah jeung nu kahamilan ayeuna teh berarti geus kalima na. Imas bari ngaoda ka Allah SWT sangkan dibere anak lalaki. Menta kitu teh lain euweuh sebab, lantaran anakna nu 4 teh kabeh awewe, tuluy mun anak lalaki bisa jadi penerus bapakna jadi ustad di kampung. Dina poean lahiran, bral teh anakna babar ka alam dunya. Geus pasrah rek naon jenis kelaminna nu penting mah anakna sehat. Tapi ku Allah dikabulkeun kahayang Imas teh, anjeunna ngababarkeun anak lalaki anu sehat jeung gendut. Langsung nganuhunkeun ka gusti Allah nu tos maparin kasalametan kangge anakna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "773", "text": "Di sakolaan urang rata-rata barudak teh mibogaan porsi awak nu ideal. Tapi sabenerna teu apal porsi ideal teh kudu sakumaha. Keur mah di imah teh urang mindeng dahar, jadi awak urang leuwih gendut tinu sejenna, di sakola SD keneh awak urang geus nyentuh angka 82. Ku sabab mibogaan awak nu gendut, jadi pergerakan oge beurat. Siga mun contona mengbal, urang mindeng disebut gajah jadi benteng. Atawa mun pas di kelas, batur loba nu nyiwitan awak urang nepikeun ka awak urang teh bareureum. Sakapeung mah sok dilawan saking ku keuheulna, mun manehna nyiwit ku urang ciwit deui, mun manehna nonjokan ku urang tonjokan deui. Samarukna nu gendut teh mun ditonjok teu nyeri kitu?", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6862", "text": "Salian ti konci motor, aya hiji deui barang anu sok poho jeung tinggaleun nyaeta kaca panon. Abdi sareng rerencangan nuju sholat di Masjid Agung, teras wudhu di tempat wudhu anu luas jeung seeur pisan jalmi di dinya. Pas beres sholat manehna karek nyadar manehna can make kaca panon. Urang langsung milarian dina tas jeung saku tapi teu aya dimamana. Manehna sedih lantaran eta teh kaca panon anyar. Lamun teu make kaca panon manehna bakal hese pas nyupiran jeung teu tiasa ngerjakeun tugas. Untungna aya petugas anu ngajagaan kamar cai. Urang langsung naros ka manehna, epekteh kaca panon eta diamankeun ku manehna, ceunah bisi dicandak ku batur.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3315", "text": "Sanggeus kuring ditalungtik, kontaminasi dina dahareun bisa lumangsung ku 2 cara, nyaéta kontaminasi langsung jeung teu langsung. Dahareun mimitian ti prosés ngolah nepi ka siap pikeun nyumput ogé bisa ngidinan kontaminasi ku mikroba. Kontaminasi mikroba dina kadaharan bisa asalna tina lingkungan, bahan baku cai, alat-alat nu dipaké jeung manusa nu aya hubunganana jeung prosés manufaktur nepi ka siap didahar.\r\n\r\nKontaminasi langsung nyaéta kontaminasi anu lumangsung dina kadaharan atah, alatan kabodoan atawa lalawora, boh dihaja boh henteu.\r\nKontaminasi teu langsung, nya éta kontaminasi anu lumangsung sacara teu langsung alatan kabodoan dina ngokolakeun pangan. Conto = kadaharan atah kana dahareun anu geus asak, kadaharan anu asak-asak jeung parabot anu kotor, saperti piring, sendok, péso jeung sajabana.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "714", "text": "Di tempat pagawean nu kuduna jelemana pada dewasa nyatana mah henteu kabeh kitu, loba oge nu sipatna kawas budak leutik nu sok ngahina batur saolah-olah manehna paling sampurna. Basa rek nyokot barang di luhureun rak teu katepi, lantaran jangkung awak ngan 155 cm. Ssnajan jengke ge teu ka tepi, kecuali make bangku. Tapi harita untungna dibantuan ku si Ardi, manehna emang jangkung. Tapi pas dibantuan ku si Ardi aya babaturan sejen nu ngaliwat nyeungseurikeun, bari ngahina pokna teh \"euh keur mah pendek nyusahkeun batur deuih\". Urang nyampeurkeun ka manehanana bari ngomong \"Sia ngomong ka saha? Dieu ngobrol jeung tuur aing\". Manehna ukur ngajawab \"Henteu ka sasaha, eta mah heureuy\". Urang mah teu ngarti da kanu kitu teh, embel-embel heureuy tapi ku cara ngahina ka batur. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8245", "text": "Serangan panik teh berisiko pisan nimbulkeun serangan jantung nika maot kusabab urang teu tiasa ngontrol kaayaan awak urang khususna kaayaan emosi tur fisik urang. Teu saeutik nu pernah ngalaman serangan panik, jalma-jalma nu keur aya dina kaayaan nu tereteken atanapi stres tiasa ngalaman nu ngaranna serangan panik ieu. Sanajan jarang nyebabkeun serangan jantung atanapi maot nanging serangan panik teh tiasa janten pikasieunen pisan pikeun jalma nu keur ngalaman serangan panik. Teu acan deui, kaayaan ieu tiasa mangaruhan kuwalitas hirup penderitana.Urang kudu gera-gera ngahubungan dokter ahli kasihatan mental upami ngalaman kaayaan ieu. janten dokter tiasa ngabantos ngalawan serangan panik nu dirasakeun ku urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "781", "text": "Taun kamari aya festival jeung lomba videografi nu diayakeun ku salah sahiji pihak pamarentah jang ngapromosikeun kaendahan Indonesia. Awalna mah urang teu apal aya lomba eta, ujug-ujug teh dibejaan ku babaturan yen hasil karya urang aya nu maok jeung didaftarkeun video eta ka pihak panitia lomba, tanpa nyantumkeun ngaran urang kalakah nyantumkeun ngaran manehanana. Urang teu narima hal eta, jadina pas apal kitu ku urang dikontak pihak panitia, ngajelaskeun yen eta teh karya urang. Urang oge nunjukeun taun dijieunna karya eta ku cara ninggalikeun YouTube urang. Akhirna mah jelema nu maok hasil karya urang teh diblok permanen tina lomba-lomba nu bakal diayakeun salanjutna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4369", "text": "Titinggal sajarah jaman Batavia kuno kapanggih dina jalur pangwangunan proyek MRT Jakarta Tahap II di Bundaran HI-Ancol. Arkeolog nyebutkeun yén objék warisan budaya kapanggih langka tur penting. 'Harta karun' bersejarah anu kapanggih dina pangwangunan MRT. Pamanggihan harta karun ieu teu kahaja. yen pagawe keur ngalakukeun panggalian, patusan anu ngalakukeun panggalian teh reuwas basa ningali ayana harta karun barang barang paninggalan nyaeta dina wangun saluran cai Batavia kuno anu mangrupa bagian tina sistem suplai cai bersih ka kota Batavia dina abad ka 18. Anu dialirkeun ngaliwatan kolam cai ka Batavia. benteng / benteng. Disebutkeun yen papanggihan ieu mangrupa saksi cicingeun peradaban Batavia (Jakarta) saprak abad ka-18. ceuk arkeolog Universitas Indonesia Prof. Junus Satrio Atmodjo. Junus nambahan, pihakna usaha sabisa-bisa pikeun ngalaksanakeun proses pembongkaran. Nurutkeun manehna, total artefak nu kapanggih dina prosés penggalian ngahontal rebuan, mimitian ti beling keramik, potongan pipa, nepi ka bata ti jaman walanda.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6823", "text": "Di SBMPTN taun 2019. Peserta ujian tiasa ningal hasil ujian masing-masing. Janten urang tiasa mikiran strategi supados tiasa katarima di kampus negeri, urang oge tiasa ngukur kamampuan urang kanggo milih jurusan anu sasuai jeung nilai na. Beda ti taun-taun sateuacan na. Urang ngan ujian hungkul, teu apal nilai na sabaraha. Pas abdi muka hasil bewara nilai SBMPTN gelombang kahiji abdi atoh lantaran nilai abdi teu aya nu butut pisan, tapi oge teu alus pisan, janten abdi kedah mikiran strategi, kumaha cara na jeung nilai anu cekap ieu abdi tiasa asup ka perguruan tinggi negeri anu dipikahoyong ku abdi, nyaeta Unpad.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6856", "text": "Kanggo ngarayakeun ulang taun, abdi dibekelan kue bolu ku mamah kanggo dibagi-bagikeun ka rerencangan sakelas. Abdi mawa dua tupperware kue bolu lantaran rerencangan di kelas abdi seeur pisan. Pas dugi ka sakola abdi langsung babagi kue bolu ka sadayana. Pas tos seep sadayana, abdi langsung nyimpen eta wadah tupperware di kolong meja. Sonten, pas abdi bade uih ka bumi, abdi ningal ka kolong meja teu aya tupperware mamah. Abdi langsung panik lantaran teu kabayang ngke bakal diseseulan ku mamah upami abdi teu mawa deui tupperwarena. Abdi langsung milarian, dibantos ku rerencangan sadayana. Singhoreng tupperware teh nuju di pang ngumbahkeun ku rerencangan abdi. Alhamdulillah, abdi janten teu kedah sieun balik ka bumi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3304", "text": "JIJIK..!! Sampah ditumpuk najan ngaleuwihan kapasitas. Pamaréntah Kota (Pemkot) Tarakan teu aya pilihan sanés. Runtah-runtah tetep bakal ditumbuk di Tempat Pengolahan Akhir (TPA) Hake Babu, Désa Karang Harapan, Kacamatan Tarakan Barat. Sanajan éta leuwih kapasitas. Balukarna, runtah nu numpuk sumebar ka jalan ka imah warga satempat. Kapala UPT TPA Hake Babu, Abdul Muin, negeskeun kaayaan kaleuwihan kapasitas tempat pamumpungan sampah di Bumi Paguntaka. Sanajan kitu, alatan teu aya TPA anyar, kumaha ogé loba runtah anu asup ka TPA tetep kudu nampung. “Rata-rata runtah masarakat ampir 120 ton per poé, urang kudu siap nampung. Sabab kamana deui, mun lain ka TPA Hake Babu,” pokna", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "605", "text": "Basa balik ti Pangandaran jeung kulawarga, harita naek mobil tapi balikna teh peuting. Jalan nu ku urang kaliwatan teh nyaeta jalan hutan da di sisi na loba tatangkalan anu jarangkung. Urang posisina teh diuk di tukang. Di sabeulah katuhu urang teu kahaja ninggali jurig ngangkleung dina tatangkalan luhurna. Urang reflek ngucap Astagfirulloh tapi teu ngabejaan nu sejenna, sabab urang pernah ngadenge lamun ninggali jurig pas posisi urang masih keneh di jalan ulah diomongkeun si jurig eta engkena bisi nuturkeun ka imah. Matak tidinya urang adem ayem weh teu ngomong nanaon kanu sejenna. Tah pas isukna urang kakara ngobrolkeun kanu sejenna lamun urang teh ninggali jurig kamari pas perjalanan balik ti Pangandaran.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4318", "text": "Subuh tadi urang hudang na kabeurangan pisan padahal urang geus jangjian jeung babaturan yen urang rek ulin ka bekasi babarengan. Urang jangjian mangkat isuk keneh sangkan engke puas ulin di bekasi na sapopoe nepi ka sore atawa peuting karek balik ka purwakarta. Urang jangjian mangkat ti imah na jam 6 sangkan jam 7 urang geus naek beus, ameh isuk keneh jam 9 an urang geus nepi tuluy bisa langsung ulin atawa dahar heula di bekasi. Tapi ayeuna urang hudang na kabeurangan, babaturan pasti geus narungguan urang. Urang geus buru buru ka tempat beus na lulumpatan, tapi pas nepi didinya urang reuwas yen beus na bieu pisan karek mangkat. Jadi urang sarerea ngan bisa molohok katinggaleun beus gara gara urang kabeurangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2139", "text": "Pasti karasana hanjelu pisan. Dina kaayaan sapertos kieu, teu aya harepan anu ageung lian ti sabar. Hese pisan narima kanyataan, sanggeus di PHK, kuring ngarasa kurang ayeuna, alhamdulillah. Rarasaan: enya anjeun nyaho gaji anjeun geus dieureunkeun sanajan pangaluaran jang kahirupan sapopoe geus nuluykeun. Leuwih goreng ti éta: keur PHK tanpa gaji, teu meunang pesangaon eweh tunjangan, sarta teu nyaho sabaraha lila. Parah kuadrat: pausahaan ditutup, tapi anjeun ngan PHK tanpa gaji, anjeun teu nyaho sabaraha lila. ddinya urang teh kudu sisiap nitela aya kajadian nu teu diduga ku ayana asunransi atanapi dana darurat jang mulai usaha nu bisa ngakuatkeun ker kayaan susah kiyeu. hanjankal.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5258", "text": "Di kampung tempat Andi tinggal mah, ditolak universitas teh jiga salah sahiji aib nu nunjukkeun betapa gagalna hirupna. Teu katarima di kampus terkenal teh bakal jadi bahan obrolan sakampungeun sabab teu bisa nunjukeun bahwa manehna bener bisa lolos. Persfektif kieu nu ngajalar keneh di pikiran orang-orang nu aya di lembur. Padahal, teu ditaima di universitas teh mangrupakeun hal wajar, sanes aib nu kudu ditutup-tutupan. Sagala rupa ge aya prosesna tong nilai tina hasilna hungkul. Tong ngajadikeun teu ditarima di universitas teh hal mangrupa kagagalan, da boa meureun milik rezekia teh aya dina kampus lain. Tong sok mudah ngambil kasimpulan. Tingali heula prosesna nanaon teh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5561", "text": "Hal nu kudu dilakukeun mun urang katinggaleun bus di rest area nyaeta mimiti tong panik, sampeurkeun agen kontrol bus nu aya di rest area eta tuluy jelaskeun tinggaleun bus jurusan mana. Nu kadua nyaeta cicing nungguan keputusan agen, apakah dipindah buskeun kanu mana. Ulah nepi ka kamana-mana, cicing heula weh tungguan. Sabab biasana mah sok dititipkeun ka bus jurusan nu sarua rutena nu aya ditukangeun bus itu. Nu katilu nyaeta telpon jalma wawuh nu aya dina bus supaya ngajagaan barang urang, ulah nepi ka leungit komo dicokot ku batur mah. Usahakeun kenek jeung supir teh apal barang bawaan urang supaya bisa dirawatan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9569", "text": "Clarissa nyaeta budak awewe pang ngorana di keluarga manehna anu caket pisan sareng akina. Akina teh jalma anu paling berharga pikeun Clarissa, sabab manehna salawasna aya pikeun mantuan jeung mere nasehat ka Clarissa ti waktu manehna leutik. Hiji mangsa, Clarissa reuwas ngadenge beja yen akina gering parna sarta kudu dirawat di rumah sakit. Clarissa langsung indit ka rumah sakit pikeun nganjang ka akina. Manehna ngarasa sedih pisan ningali kaayaan akina anu luar biasa lemah. Saatos sababaraha dinten, kaayaan akina parah, sareng dokter ngabarkeun yen teu aya deui anu tiasa dilakukeun. Clarissa sedih pisan sareng teu tiasa nahan cipanonna nalika akina tungtungna maot. Pangalaman kaleungitan akina mangrupikeun hal anu paling sedih anu pernah dialami Clarissa, sareng anjeunna sono ka akina, anu berharga pisan pikeun anjeunna. Clarissa bener-bener sono ka akina, tapi anjeunna terang yen akina salawasna aya dina hatena sareng bakal janten bagian anu paling berharga dina hirupna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8470", "text": "Faleh teh jelema beresih pisan. Anjeunna salawasna merhatikeun kabersihan dina sagala aspek hirupna. Salah sahiji aspek kahirupan anu anjeunna salawasna jaga nyaeta tuangeun. Kabersihan dahareun penting pisan pikeun Faleh. Manehna mikir kitu sabab manehna geus ngarasa nyeri tina dahar kadaharan kotor. Ayeuna lamun manehna nempo kadaharan kotor manehna bakal ngarasa geuleuh jeung moal dahar kadaharan. Henteu ngan teu hayang dahar, malah teu hayang noel. Anjeunna teu hoyong ngotoran leungeunna nu salawasna diteundeun bersih. Geuleuhna Faleh kana kadaharan anu kotor geus lila kaharti ku kulawarga jeung babaturanana. Ku cara kitu, nalika kulawargana nyiapkeun dahareun atawa babaturanana ngalayanan dahareun, maranehna kudu bener-bener ngajaga kabersihan dahareun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2114", "text": "Koréa Selatan dipikanyaho sacara serius ngerjakeun budaya populér nepi ka ahirna nagarana dikenal di sakuliah dunya. Anyar-anyar ieu, pamaréntah daérah ngayakeun survey pikeun milari eusi mana atanapi seniman mana anu paling kasohor di sababaraha nagara. Numutkeun Soompi, survey ieu dilakukeun ku Kamentrian Kabudayaan, Olahraga sareng Pariwisata Koréa selatan sareng Yayasan Korea pikeun Pertukaran Budaya Internasional. Aranjeunna surveyed kira 8.500 responden ti 18 nagara, kaasup Amérika Serikat, Cina jeung Jepang. Survei henteu ngan ukur dilakukeun pikeun hiji jinis hiburan, tapi ngalangkungan média sapertos pilem, musik sareng acara televisi. Saatos ngumpulkeun survey ti 24 Séptémber dugi ka 4 Nopémber 2020, hasilna diterbitkeun dina 28 Januari nu hasil yen korea teh populer. hal eta ngabuktikeun yen naha ai ker basa aya artis korea ka indonesia terus we rame jeung aya sebutan armi nu memang katingalina mani nepi jigkrak-jigrak bahagea ai aya artis korea ka Indonesia teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7234", "text": "Lantaran tara ngangge kaos kaki pas nganggo sapatu ka sakola, abdi mineng ngarasa ateul dina tapak suku. Pas ditingal aya nu ngajendol, panya teh ngan bentol hungkul, tapi beuki lila beuki ngagedean jeung nyeri lamun dianggo mapah. Abdi naros ka bapa tapi ceuk bapa kedah diparios ku dokter di klinik, pas ditingal ku dokter cenah mah ieu teh mata ikan, lamun bade dileungitkeun kedah dioperasi, tapi sanes operasi anu badag, tiasa dilakukeun di klinik oge. Pas patepang deui jeung dokterna, dokter nyarios ieu kedah dioperasi saenggalna lantaran tos badag pisan jeung ngaganggu lamun dipake mapah. Abdi langsung jangjian jeung dokterna. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2839", "text": "kumaha carana nyingkirkeun kasieun panggung pikeun sadayana béda-béda ... gumantung kana alesan naon anu nyababkeun anjeun sieun panggung. cobian milarian akar masalah teras milarian solusi pikeun masalah anu nyababkeun anjeun ka panggung. Sareng cobian ngamimitian latihan ngabiasakeun diri di panggung pertama kalina henteu kunanaon upami teu aya anu sahenteuna latihan nangtung heula di panggung. Salian eta aya oge, tips lain nyaéta tarik napas panjang, tahan sakedap... tuluy hembus, malikan deui nepi ka bener-bener rileks jeung rileks, terus lamun éta pagelaran jeung katempo ku loba jalma, anggap wae ucing atawa sato nu lain anu ceuk manéhna lucu, lain manusa, ngarah teu gugup. kitu tips ti kuring, mugia aya mangpaatna", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1385", "text": "Loba tatangga urang mun miceun sampah teh sok di mana wae, awalna mah saeutik lila kalilaan tatangga nu sejen ge miluan miceun sampah didinya. Atuh di hareupeun imah urang teh sampah nepikeun ka ngagunduk. Ditambah keur musim hujan, jadi sampah nu ngagunduk eta teh tambah bau, ku sabab jadi baseuh. Urang geus teu kuat ninggalina oge geuleuh, jadi reregan ku urang kabeh ditutup ngarah urang teu bisa ninggali gundukan sampah eta, tapi tetep weh reregan ditutup oge si sampahna teh kaambu ka jero imah. Nepikeun urang ngalaporkeun ka lurah meh sampah nu dihareupeun imah urang geura-geura diangkut, lantaran geuleuh ninggalina.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4396", "text": "Nganyatakeun eusi haté atawa leuwih katelah curhat ka babaturan lawan jenis anu dilakonan ku pasangan kulawarga aya potensi pikeun jadi gerbong kamaksiatan di kulawarga. Teu sadar, nalika aya anu hayang di nyarioskeun hal-hal anu penting dina haténa, anjeunna pasti bakal milih babaturan pikeun curhat ka saha anu dipikaresepna. Hal ieu disababkeun ku faktor kapercayaan hiji jalma ka lawan jenis anu hayang jadi babaturan curhat salian ti pamajikan na, jadi geus aya bibit bibit dina waktu éta. Lamun aya nu curhat tuluy ngabales alus ka lawan jenis, lumangsung dua parobahan psikologis, nyaéta palaku manggihan pahlawan lantaran geus berkorban waktu pikeun ngadengekeun keluhanna. Samentara éta, jalma anu ngadenge curhat ngarasa pahlawan sarta ngarasa karunya pikeun anjeunna. Tah kusabab eta jadi loba parsalingkuhan salaki ka babaturan pamajika na, jad weh ti dinya pamajikan na teu tarima ambek ambekan tuluy ruksak pertemanan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3029", "text": "Aya sababaraha masalah naha rem beus/truk gagal, nyaéta: ngaleuwihan wates muatan, beus/truk boga wates muatan, mangka rem kudu digawé leuwih teuas sabab meunang kaleuwihan kakuatan tina beban. Abdi henteu terang kaleresan ngeunaan kampas rem anu dianggo ku KW (Kuring ngadangu ti babaturan anu damel di bengkel khusus treuk sareng beus) tapi kalolobaan truk/beus jarang nganggo suku cadang asli kalebet bantalan rem, alesanna jelas sabab. mahal jeung mental indonesia sok neangan mana nu murah. Résiko nyaéta kanvas teu tiasa ngerem kusabab kualitasna henteu saé. Anu terakhir nyaéta kacerobohan murni, ieu sanés ngan ukur pikeun supir treuk tapi ogé pikeun transportasi, nyaéta nalika rem karasa goréng aranjeunna henteu langsung ngalereskeun sareng ditunda ku sababaraha alesan. Tungtungna, nalika dipaké dina kaayaan precarious, teu jalan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7313", "text": "Hujan turun badag pisan pas abdu nuju dibonceng dina motor, lantaran teu mawa jas hujan abdi langsung ereun heula di Alamart kanggo meser jas hujan palastik anu sakali pake. Abdi langsung nyandak dua jas kanggo abdi sareng rerencangan, pas abdi bade mayar ka kasir, abdi langsung nangtung ditukangeun bapa-bapa anu meser roko, pas bapa-bapa eta kaluar giliran abdi mayar, tapi jol aya teteh-teteh anu miheulaan, abdi langsung ambek ka manehna lantaran teu sopan pisan miheulaan batur teu ngomong heula.Untung we si teteh kasir na oge ngalayanan kuring heula sabari nitah si bapa teteh anu teu sabaran eta kanggo ngantosan di tukangeun kuring. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2177", "text": "Basa UJian jang asup kampus make tesSBMPTN datang, kuring indit ka tempat kuring didaftarkeun jadi peserta ujian. Jauh pisan, 5-6 jam perjalanan naek angkot ti kampung ka tempat tes di kota Medan. Sareng dina dinten D, kuring ningali sadaya patarosan tés, sial !! Euweuh nu bisa ngajawab :D. Panginten aya anu gaduh 3-4 patarosan anu tiasa kuring jawab, sésana kosong. Kuring ngan nyikikik sorangan nyikikik dina korsi, kuring geus frustasi. Abdi ngan ukur tiasa ngajawab patarosan TPA. Sésana kuring nyerah, kuring ngan ukur ngantepkeun. Meureun mun panitia SBMPTN ningali jawaban kuring, jeung pilihan jurusan kuring, bakal seuseurian, tempo pilihan kuring mah STEI ITB jeung Teknik Informatika ITS. Teu perlu drama jeung kaajaiban, pasti teu lulus SBMPTN. Teu kaduhung, sabab kadang teu boga waktu keur diajar, riweuh teuing lamun di kampung ngabantuan pagawéan kolot. Jadi lamun peuting geus capé jeung ragrag saré.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5592", "text": "Mun nuju hamil teh kudu diperhatikeun pisan kondisi kasehatan awak, ulah nepi ka drop sabab bahaya oge jang kasehatan utun na. Mun baranggawe ulah nepi ka kacapean teuing sabab pangaruhna gede kana janin nu dikandung. Mun nuju hamil oge ulah nepi ka loba pikiran, kudu seger pikiran teh. Kasehatan ge hal utama nu kudu dijaga, sabab naon wae nu dirasa ku awak pasti karasa oge ku utun nu dikandung. Biasakeun loba olahraga ringan jiga leuleumpangan supaya awak kagerakeun, ulah ngagugulung hoream wae. Tuluy dina dahareun oge kudu dijaga pisan, ulah nepi ka salah nuang dahareun sabab bisa fatal jang kandungan. Yuk ah urang terapkeun deui hal-hal nu penting jang kandungan supaya bisa sehat awak jeung utunna!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4401", "text": "Lamun geus dasar na bangor rek kolot rek ngora sarua wae. Panyakit anu ngarana salingkuh moal bisa di halangan. Urang ngalaman sorangan yen bapa urang sigana osok aya hubungan jeung awewe sejen salian ti indung urang. Emang sih hubungan eta moal bakal di sariusan ngan sakeur iseng hungkul tapi eta tetep ngarana salingkuh. Tetep nyerikeun hate, urang nyaho indung urang pasti nyeri hate jeung bari ambek, tapi indung urang embung nempokeun eta, maneh na kuat kuat keun komo di hareupeun budakna. Indung urang na mah cicing tapi urang salaku anak na nya teu tarima, indung urang di nyenyeri kawas kitu. Didinya urang anu ambek ambekan urang anu nyamperkeun saha awewena urang anu ngahareupan bapak, urang ambek urang carekan. Eta urang lakukeun keur ngabela indung urang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4326", "text": "Penting na pangaturan waktu lamun urang rek ngalakukeun perjalanan jauh. Prinsip na leuwing mening nungguan lila samemehna tibatan urang telat jeung katinggaleun peswata atawa bus na. Kusabab loba kagurian lamun urang geus tinggaleun rugi waktu, rugi tanaga, rugi diut na oge jeung anu leuwih nyiksa nyaeta rugi parasaan, jadi sok ngarasa teu tenang jadi rareuwas kitu jadi ngarasa teu enak, komo lamun perjalanan urang teh perjalanan anu buru buru di tungguan jeung penting pisan. Eta kan jadi aya rasa tanggung jawab anu kudu di jaga, komitmen na bisa di cekel utamana ngeunaan komitmen kana waktu. Waktu teh hal anu paling penting komo lamun ngeunaan ka pagawean atawa bisnis.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2095", "text": "Waktu harita kuring miluan MUN (Model United Nations) di paguron luhur nu kasohor. Waktu harita aya \"pertandingan\" p, kuring salah saurang wakil di kampus kuring. Persiapan buru-buru pisan, jurnal anu ku kuring digarap ogé dasarna sareng nalika diumumkeun juara, sakumaha anu kuring ngarepkeun, kuring henteu meunang juara. Sanajan kitu, panitia jeung pupuhu méré kuring \"Fun Award\" salaku \"nu pang lucu\" atawa wakil paling lucu. Duanana bagja jeung isin haha, enyalah isin siga ucing. Teras dina acara perpisahan kampus, abdi nampi penghargaan \"The Best Transformation\" Intina mah jalmi anu paling barobah, sigana mah baheula mah rada gembrit da pas lulus mah rada kurus.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8930", "text": "Abdi sieun pisan upami ningali hiji hal atanapi barang anu seueur liang sapertos sarang lebah. Lamun nempo nu kawas éta, kuring pasti bakal ceurik jeung lumpat nangkeup indung kuring. Sok geli jeung jijik nalika kuring nempo éta teh. Pernah jaman kuring leutik, dulur kuring ngahaja nyodorkeun sarang lebah hareupeun panon kuring, kuring lumpat tapi anjeunna tetep ngudag kuring. Kuring ceurik sieun, lumpat neangan indung tapi teu aya, tuluy lumpat nangkeupan nini. Nepi ka ayeuna kuring masih keneh sieun pisan kana hal-hal nu kitu. Sabisa-bisa kuring bakal nyingkahan ningali éta, upami kuring ngahaja ningali, kuring bakal langsung ngajauhan panon kuring sareng nyobian mopohokeunana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3013", "text": "Serangan panik dicirikeun ku keteg jajantung gancang, sesak napas, pusing, tegangan otot atanapi tremor. Kaayaan ieu tiasa lumangsung iraha waé, boh nalika kagiatan sareng nalika istirahat. Lamun batur ngalaman serangan panik, otak instructs sistim saraf pikeun ngabales ku tarung atawa Ngahindarkeun (tarung atawa hiber). Awak teras bakal ngahasilkeun bahan kimia, sapertos adrenalin, anu memicu paningkatan denyut jantung, laju engapan, sareng aliran getih kana otot. Serangan panik lumangsung nalika awak nyiapkeun respon pikeun ngalawan atawa kabur sanajan teu aya kaayaan kritis atawa bahaya. Hiji jalma malah tiasa ngalaman kaayaan ieu dina kaayaan anu teu kaduga, contona nalika ningali televisi atanapi bobo. Henteu dipikanyaho persis naon anu nyababkeun serangan panik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6267", "text": "Unggal poe Minggu teh abdi sok indit ka pasar nu aya di deukeut imah. Biasana abdi sok indit leumpang bari olahraga. Mun keur leumpang teh sok hoream ku heurin jalan, ku becak jeung delman. Komo delman na nu jorok mah, sok miceun di mana wae kudana teh. Sok geuleuh pisan ningalina ge da di jalan teh aya loba tai kuda. Nya bau, nya rentan katincak deuih. Komo deui mun leumpang di gigireun kuda tuluy kuda na teh miceun bari ngepeskeun buntutna, ih meuni geuleuh pisan ningalina ge. Jorok pisan nu boga kudana, meuni teu nguruskeun kokotor iinguanna. Mantak abdi mah sok ngahaja we leumpang liwat gang leutik supaya leuwih aman tina kokotor sato nu karitu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6338", "text": "Abdi geus tilu poe teu ngeunah beuteung, hese hitut deuihan. Mangkaningan ayeuna abdi rek datang ka acara uleman dulur abdi anu nikahan. Abdi indit we tuluy jeung kulawarga abdi ti subuh mula, nepi ka teu kaburu BAB heula. Eta keur dinu hajat teh abdi kalah nyeuri beuteung hayang BAB pisan jeung hayang hitut oge. Ku abdi ditatahan sakuat tanaga da bisi kaleupasan hitut. Pas abdi nyobian ngaluarkeun saalit-saalit, eh eta hitut teh kalah tarik pisan, jaba bau deuihan. Dulur dii gigireun abdi nepi ka ngaralieuk bari seuseurian ngakak teu bisa ditahan. Abdi kuat era pisan nepi ka tuluy nyingcet ka tukang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9234", "text": "Di kelas kuring teh aya dua murid anu sobatan tapi sok jail, ngaranna teh Didi jeung Sihan. Duaan eta teh sok saling jail atau ngajailan batur. Kuring pernah sakali dijailan ku Didi, manehna ngalungkeung coco'oan anu nyingsieuna kuring, nyaeeta cakcak bobodan, atuh ngajerit tarik kuring teh. Pernah oge Didi anu ngajailan Seno, manehna nulis dina kertas 'Lamun nyebut ganteng ka aing dibere saratus rebu.' tuluy ditempelkeun dina tonggong Sihan. Basa Sihan keur persentasi jol babaturan teh nyebut Sihan ganteng, kabeh siswa nyebut kitu. Ku kuring teh dibere nyaho weh ka Sihan, itu mah langsung di kelas teh Didi jeung Seno paudag-udag dina jero kelas. Urang sakelas seuri ngagakgak nyaksian eta. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2935", "text": "Dina kasieun manusa éta aya hubunganana sareng pikiran sareng trauma anu tangtu anu aya dina unggal individu. Sareng masing-masing individu unik sareng sanés jinis trauma anu sami anu aranjeunna alami, sesa kasieunan timbul kusabab pangalaman anu parantos dilalui. Aya nu sieun ku jarum, padahal geus disuntik, meureun eta jelema teh teu resep disuntik jeung teu genah ningali jarum identik anu \"pikasieuneun\" keur sabagian jalma.Teu kudu jauh mah lanceuk kuring boga awak gagah ngan hanjakal mun hayang disuntik, sieun siga nu hayang dihukum beurat, malah teu acan disuntik, ngomongna nyeri jeung pola pikir geus sieun. Aya we alesan-alesan nu matak sieun ku jarum suntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "380", "text": "Pas kelas 4 SD urang pindah sakolaan ka Cianjur. Geus tangtu urang sedih, lantaran bakal papisah jeung babaturan deukeut. Pas poe akhir urang teu ngabejaan ka babaturan lamun urang rek pindah, sabab urang embung babaturan oge sedih. Poe harita oge pas poean urang pindah, aya wali kelas anyar di kelas urang ngaranna Pa Suparman. Nu ku urang bejaan teh nyaeta babaturan deukeut ngaranna Anggi. Urang jeung Anggi geus jadi babaturan deukeut ti kelas 1 keneh, lantaran harita pas daftar sakola teu kahaja barengan panggih di sakolaan. Urang ninggali raut beungeut Anggi sedih, nepikeun manehna mere urang pulpen kanggo kenang-kenangan. Urang ge kitu, mere Anggi pangserut patlot jang kenang-kenangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6058", "text": "Tilu tips supaya bisa aman mun keur dituturkeun ku jalma nu teu wawuh. Mimiti nyaeta mun amprok jeung jalma teu wawuh teh tong ngawaro, uruskeun we urusan urang, buru indit supaya teu diudag. Ngahindar sabisa mungkin, ulah nepi ka mere kasempatan ngobrol. Nu kadua nyaeta tong ngabejakeun identitas asli. Mun ditanya ngaran atawa data diri teh jawab we make data palsu, ulah nepi ka nyebutkeun data asli urang. Nu katilu nyaeta ulah nepi ka eureun mun diajak ngobrol. Tuluy we leumpang atawa jalan, tong nepi ka eureun sabab bisi dihipnotis atawa bisi dilakukeun hal-hal nu teu dipikahayang. Kudu mawas ka diri sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7794", "text": "Dina acara donor getih anu diayakeun ku organisasi kuring sareng PMI Kota Garut, abdi janten panitiana. Abdi dipasihan tugas kanggo janten anu nyambut pamilon anu bade donor getih. Lamun nuju donor getih teh ceunah mah sok aya kajadian aya nu pingsan, utah, jeung seeur oge anu lemes lantaran tos dicandak getihna. Pas siang-siang, aya hiji pamilon anu utah pas nuju ngantosan saatos donor. Abdi sareng rerencangan langsung dipiwarang ngaberesan runtah eta lantaran bisi ngaganggu jalmi anu sanesna anu aya di dinya. Abdi langsung nyandak tisu kanggo nutupan heula eta utah ku tisu. Pas nuju ngaberesan, abdi teu kiat pisan hoyong utah oge. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2052", "text": "Aya sababaraha cara jeung léngkah sangkan urang siap nyanghareupan ujian anu aya di hareupeun panon,\n1. Jieun jadwal diajar nu teratur, leuwih hade netepkeun waktu nu sarua unggal poe sangkan gampang ngabiasakeun.\n2. Diajar konsép dasar matéri.\n3. Terus diajar rupa-rupa bahan atawa mata pelajaran. Gawé dina bahan anu hese dina waktos anu paling produktif sareng bahan anu gampang dina waktos sabalikna.\n4. Rutin ilubiung dina uji coba UTBK SBMPTN atawa coba-coba.\n5. Netepkeun prioritas jeung tujuan, upamana diajar bahan tangtu salila dua jam.\n6. Fokus kana hiji bahan dina hiji waktu.\n7. Saméméh bérés diajar jeung gugah tina korsi, jadwalkeun heula naon-naon anu bakal diajar poé saterusna.\n8. Pigawé évaluasi diri.\n9. Saban diajar, siapkeun tempat jeung lingkungan nu nyaman.\n10. Jaga pola hirup séhat ku cara ngadahar kadaharan anu bergizi, saré cukup, jeung teu hilap olahraga.. nah tips diluhur insyalaah bisa ngajidikeun urang lulus dina UTBK, sapertos kuring !", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4385", "text": "Lamun nurutkeun ahli bedah saraf, dokter Ryu Hasan budaya antrian ngan bisa dihontal ku ngabiasakeun diri ti umur dini. Dokter ahli saraf ieu nyarios yén budaya ngantri moal tiasa dihontal ngan ukur ku ancaman tapi kudu di awasi saara teges, sabab lamun ngan ukur ku cara ieu, maka masarakat bakal nurut nalika diawaskeun ku patugas. Nanging, nalika teu aya pangawas, jalma anu henteu biasa ngantri bakal ngalanggar aturan ieu. Kudu na mah budya antri ieu ges bisa sacara otomatis lamun urang geus biasa jeung sadar diri ngabogaan etika, ku sabab antri ka asup salah sahiji kana etika sopan santun di indonesia. Lamun urang sadar yen antri teh penting moal bakal harese nerapkeunna. Ngajaga etia dina budaya antri bisa ngaciptakeun suasana kondusif sangkan eweuh deui jelema anu ambek ambekan lamun nyorobot antrian.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3334", "text": "Seueur bangkai beurit anu kapendak anu garing di pabrik teh sareng kopi anu kasohor di Malaysia. Pabrik éta langsung ditutup ku pagawé kaséhatan.\r\nKabersihan mangrupikeun faktor utama anu paling penting diperhatoskeun di pabrik dahareun sareng inuman. Tapi, pangurus pabrik pangan mindeng lalawora dina ngalaksanakeun tugasna. Pikeun mastikeun yén pabrik-pabrik anu ngahasilkeun kadaharan sareng inuman dijaga beresih sareng patuh kana standar kaséhatan.\r\nNgalaporkeun ti SAYS (27/05), anu nembe otorisasi tenaga kaséhatan di Penang, Malaysia, mendakan seueur beurit anu maot di pabrik tèh sareng kopi anu terkenal di dinya. warta ieu dirilis sanggeus pihak\r\nBagian Kualitas dan Kasalametan Pangan (BKKM) di Pulau Pinang ngalaksanakeun inspeksi ngadadak atawa kunjungan ujug-ujug ka pabrik-pabrik tea jeung kopi kakoncara di wewengkon Bukit Mertajam.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4057", "text": "Trauma keur leutik nyaeta kaayaan anu di rasakeun ku budak nepika nimbulkeun rasa kasieun. Umumna mah di sebankeun tina kekerasan, pelecehan jeung hal-hal anu ngancem kahirupanna. Dampakna teh bisa mangrupi depresi jeung stres, bisa ngajieun budak jadi jauh ti jelema nu sejen, malah bisa ngajieun si budak teh ngarasa boga hirup anu beda ti budak anu sejen. Teu jarang biasana mun ti budak ngabogakeun trauma anu bener-bener parah bisa wae ngacilakakeun dirina sorangan, da kusabab stress mikiran hal-hal anu mantak pinyeuri hateun. Budak anu kos kitu teh biasana kurang asuhan ti kolot, saperti teu di urus ngan sakalina di urus kalah di carekan jeung di siksa. Kadangmah budak anu di siksa ku kolotna di imah, sok ngaluapkeun kakesalanna di sakola. Salah sahiji cara pikeun ngaringankeun trauma ieu nyaeta mimiti dukungan di kolot kadua terapi. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7582", "text": "Basa abdi tos asup kuliah, abdi miluan kagiatan di kampus teras dipasihan tugas kanggo olahraga lumpat. Abdi mutuskeun kanggo lumpat di hiji tempat di caket imah kuring. Tapi lantaran cape, kuring mutuskeun kanggo pupuiran di simpang jalan supados teu jauh. Pas kuring nuju lumpat mah teu aya masalah, paling oge kahalangan ku kandaraan anu ngaliwat, tapi teu lila di wangunan dekeut kuring lumpat jol aya anjing, ai dugan teh anjingna ditalian, epekteh henteu. Abdi sieun teras kalahkah naek ka imah eta, beuki we diudag ku anjing. Abdi langsung turun ti pager teras lumpat sing gancang bari ngaderegdeg jeung teu make sapatu lantaran aya ledok di hareup. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "701", "text": "Urang biasa balanja di minimarket lantaran barangna nu lengkep jeung mindengna mah teu ngantri mun meuli teh. Tapi hiji waktu mah pas keur diperjalanan jauh si minimarketna teh rada pinuh ku nu meuli, nya meureunan pedah di luar hujan oge jadi nu teu niat ka minimarket ge ngahaja kadinya ngarah bisa ngiuhan tapi sabari meuli barangna. Nu nyieun urang ambek teh lantaran aya ibu-ibu bari neleponan meuni ka gandeng teh, tuluy pas geus beres milihan barangna si ibu jol nyorobot antrian bari ngomong keur buru-buru. Lah emangna nu buru-buru teh maneh hungkul bu, urang jeung nu sejenna oge sarua. Ulah nganggap waktu maneh leuwih penting tibatan waktu batur. Sarua batur oge boga kepentingan nu sejen.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2883", "text": "Upami anjeun salah sahiji seueur jalma anu ngajawab 'percaya', maka anjeun leres-leres cocog sareng urang Amerika. Leres, numutkeun Harris Poll of Live Science, 45% urang Amerika percaya kana ayana hantu. Kanyataanna, 28% ceuk maranéhna geus katempo sightings jurig. Masalahna, ayana hantu masih hese dibuktikeun ku elmu pangaweruh. Aya seueur hal sareng téori anu tiasa 'ngabantah' pernyataan éta: hantu aya sareng hirup di sabudeureun urang. Hirup urang teu bisa leupas tina hantu. Ti mimiti acara sakola saperti tawuran peuting, nuansa horor di pasantren, nepi ka momen-momen Ujian Nasional anu sok dipake ku hantu asup kana awak urang. Henteu ngan ukur asup kana ranah atikan, di Indonésia, hantu ogé geus nembus dunya hiburan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7223", "text": "Mangkukna, abdi bebeja ka rerencangan hoyong pisan nyobian menu anyar anu aya di mekdi, nyaeta hayam anu dipasihan bumbu korea. Tapi abdi rumasa keur teu gaduh acis. Pas tos waktosna dahar siang-siangnabdi ngahaneutkeun deui lauk tilas peuting kamari, lumayan masih keneh tiasa diemam. Pas nuju gegeroh, jol aya gojek anu datang, cenah mah aya kiriman kanggo kuring, padahal teu mesen nanaon, cenah mah tos dibayar, abdi langsung narima eta dahareyn ti gojek. Pas dibuka, epekteh eta hayam bumbu korea anu dipikahoyong ku abdi, abdi langsung bebeja jeung nganuhunkeun ka rerencangan lantaran tos masihan hadiah ka kuring pas kondisi nuju teu gaduh acis.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5257", "text": "Poe ayeuna pengumuman katarima henteuna di universitas bakalan dibuka jam salapan isuk-isuk. Abdi tos nyiapkeun sagala kamungkinannana. Pas jam salapan, abdi langsung muka websitena, masukeun nomor pendaftaran jeung sandina. Pas dibuka, mimiti ningali tanda beureum. Wah ieu mah abdi gagal deui masuk universitas. Terus di scroll ka handap, enya weh leres tulisan na teh menta hampura jeung mere semangat. Awak asa leuleus ningali bacaan nana. Tangan ngeper, panon bareureum teu kuat nahan ceurik. Asa na teh nyeuri hate pisan. Cai panon teu bisa dibendung, der abdi ceurik. Sedih pisan rasana euweuh hasil tina perjuangan. Sedih oge sabab teu bisa jadi kabanggaan kolot.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8949", "text": "Naon ngajadikeun anjeun ngarasa trauma bahkan jadi halusinasi sanggeus dibulli? Keluhan halusinasi dibully, sieun papanggih jeung batur, sieun teu ditarima, sieun disebut awon, ngabalukarkeun nyeri dina sirah nu ngalaman bisa disababkeun ku sababaraha faktor. Kahiji, émosi anu teu stabil. Kalolobaan korban bullying jadi gampang sedih jeung gampang ambek ogé. Kajadian basa keur dibully masih disimpen dina ingatan maranéhanana, sarta nyieun hésé pikeun aranjeunna ngadalikeun émosi maranéhanana. Kadua, sajarah bullying anu geus keterlaluan. Upami tingkat bullying parah dugi ka ngancam nyawa, ngajantenkeun korban trauma dugi ka halusinasi, ieu kedah diubaran gancang ku dokter. Katilu, teu aya dukungan sareng perhatian ti kulawarga. Kulawarga kedahna janten sistem pangrojong anu paling kuat pikeun korban bullying, tempat dimana aranjeunna ngarasa aman sareng nyaman. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1407", "text": "Basa keur ngumpul jeung babaturan nu geus lulus SMP, urang ngumpul di hiji imah babaturan. Imahna gede jadi arurang milihna didinya. Pas keur ngumpul di teras, aya nu ngaliwat. Dina perawakan mah meuni mirip pisan jeung guru nu geus pernah ngajarkeun arurang. Jadi weh ku arurang teh dipanggil, \"Bu Tati, Bu Tati\". Awalna mah teu ngalieuk, sangkaan urang teh ah meureun teu kadangu. Sakali deui tapi ayeuna mah rada tarik, \"Bu Tati, Bu Tati\". Si ibu eta ngalieuk ka arurang nu keur ngumpul. Tapi pas ngalieuk jeung ninggali rarayna mah lain si Ibu Tati. Geuningan arurang salah manggil, da eta mah batur. Ku sabab era langsung ngabelecir lumpat asup ka imah.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "265", "text": "Meunangkeun penghargaan tangtuna loba nu kudu dikorbankeun, boh eta waktu, tanaga, nepikeun ka duit oge. Teu jarang demi meunangkeun hiji penghargaan, loba jelema nu miluan kursus atawa waktu jeung tanagana dipake kanggo fokus naon nu dek ditujuna. Penting oge nyaho kana kamampuan diri sorangan, sabab ieu modal dasar ngameh lancar pas miluan lomba, lamun teu apal kana kamampuan sorangan engkena bingung jeung euweuh sumanget ngagaweanana sabab ku teu soson-soson. Di sisi kamampuan, kudu oge bisa fokus jeung percaya diri. Sabab lamun teu fokus bakal moal meunangkeun naon nu rek ditujuna, tungtungna mah eureun di tengah jalan. Percaya diri oge penting ngarah pas poean lomba bisa maksimal.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5226", "text": "Kamari basa nuju momotoran bade ka Bandung, abdi sareng pun raka ngalaman kacilakaan. Motor nu ku abi sareng pun raka tumpangan teh nuju maju gancang ka arah Bandung, jol we pas dibelokan teh aya mobil dumptruck oleng pas pisan papayun-payun jeung motor abdi. Duar, tuluy diadu tabrakan. Raka abdi mental ka sisi kolong dumptruck, kaluar getih tina mastakana ngocor wae teu eureun-eureun. Abdi mah mental ka sisi jalan, kur bared hungul panangan jeung sampean. Abdi harita ceurik gogoakan ningali raka abdi lumuran getih.Tuluy warga nu ningali mangku pun raka ka warung sisi jalan. Pas dibuka helmna, tos teu gerak deui. Warga ngecek detak jantungna, tos teu ayaan. Aduh Gusti, harita mah dunya teh asa eureun. Rarasaan teh asa kosong, pikiran asa kamana-mana. Ceurik teu bisa dibentung kacida ningali pun raka.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6270", "text": "Di antara kabeh tai sato, abdi paling kesel mun geus nempo tai beurit. Sabab di imah abdi ge seueur tai beurit di mana-mana. Tai beurit teh bentukna lonjong jeung leutik, warnana hideung, bentukna teh mirip tablet nu perseji panjang. Mun sakali miceun teh sok langsung berceceran eta taina teh. Salian geuleuh ningalina, geuleuh oge ku bauna. Sakali aya tai beurit teh bauna sok ka mana-mana, mantak lieur pisan ngambeuna ge. Sanajan miceunna dina handapaeun lomari ge angger bauna mah sok kaambeu sakamar. Mun disapuan ge deuihan sok kalah biye, tuluy napel dina sapuna. Jiji pisan ningali jeung ngambeu na ge da.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5989", "text": "Loba kasus tilelep dina wahangan gede sabab human error. Salah sahiji contohna nyaeta korban tilelep di wahangan Citarum. Seueur pisan korban jiwa di wahangan citarum nu disababkeun kacerobohan manusana sorangan. Aya korban na teh mangrupakeun mahasiswa nu keur ngalaksanakeun pengarungan make kayak, tuluy tilelep sabab teu make palampung. Kapendakna teh saban tos tilu dinten dina cai. Tuluy aya oge anu tilelep pas keur guyang dina cai nu jero sabab teu bisaeun ngojay. Tah hal ieu teh rata-rata disebabkeun na pedah kacerobohan, teu make palampung jeung teu bisa ngakirakeun jerona cai jeung kaayaan cai wahangan. Mantak kudu hati-hati pisan dina uulinan cacaian teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5167", "text": "Kamari abdi ka Pangalengan sareng rerencangan kelas. Duh suasana na teh meuni syahdu pisan, hawana sejuk kebon enteh, jeung deuih teu pati rame ku pangunjung. Abdi jeung rerencangan teh popotoan di tengah kebon enteh. Aya nu selfie wae, aya nu resep motoan babaturan na, aya oge nu cicing wae katirisan. Abdi jeung babaturan teu poho popotoan bateng di tengah kebon enteh nu pamandanganna ngahampar luas pisan. Sanes wae kebon enteh nu kaciri, tapi oge aya pabukitan nu manjang satungtung deuleu, jadi endah pisan ngamanjakeun mata. Suasana na enakeun pisan jang ngobrol mah, komo bari jeung hese sinyal mah, cocok pisan jang ngarah kabersamaan nana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4329", "text": "Kapanggih jeung babaturan anu geus lila teu kapanggih teh rasana bungah pisan,biasana urang jadi rewas pangling teu sangka yen urang berubah ayeuna, jeung tuluy biasana urang ngalanjutkeun carita- carita jaman sakola. Jaman dimana kadang lamun ku urang di inget inget sok era, jaman dimana urang can siga anu ayeuna tapi kadang kadang oge bisa bari nyarita lucu jeung rame. Urang sabenerna geus lila boga rencana hayang ulin barengan deui, tapi teu nyaho kumaha sok hararese pisan aya weh alaesan na jadi teu bisa. Tapi ayeuna uang keu kahaja kalahka kapanggih di jalan ieu. Urang ti mimitina reuwas teu sangka npi ka akhirna nyaman jeung nuluy dahar bareng bari seseurian.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "228", "text": "Alusna nabung teh sabab lamun keur hayang hiji barang, bisa meuli henteu kudu ngahutang. Komo deui lamun barangna teh teu digunakeun jang ngahasilkeun duit deui. Nabung oge ngalatih kasabaran lantaran jang meunangkeun naon nu dipikahayang, kudu butuh perjuangan nu leuwih. Nabung oge ngabiasakeun jang hirup hemat jeung bisa ngatur duit. Lamun geus ngajaran sakali nabung kana cengcelengan, pasti dedeieun. Sabab dedeuieun jadi sumanget oge neangan duitna, jeung hayang nabung leuwih gede deui. Tuluy kusabab hese neangan duit, jadi bisa milih oge mana barang nu dibutuhkeun atawa ngan hayang hungkul. Lamun geus kakumpul bakal bungah pas meuli barangna, sabab aya proses anu lila.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8423", "text": "Jalma sering ngarasa geuleuh nalika aranjeunna ningali jamban kotor kusabab faktor kabersihan jeung kasehatan. Toilet kotor biasana dieusi ku bakteri sareng kuman ngabahayakeun anu tiasa nyababkeun rupa-rupa panyakit sareng infeksi. Lingkungan anu kotor sareng teu bersih tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng ngajantenkeun jalma teu nyaman. Salaku tambahan, bau anu teu pikaresepeun anu sering aya dina toilet anu kotor tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng ngajantenkeun jalma teu nyaman. Ieu bisa jadi ongkek sarta nyieun maranehanana hayang ninggalkeun wewengkon geuwat. Sacara psikologis, ningali lingkungan anu kotor jeung najis bisa nimbulkeun parasaan negatif sarta ngajadikeun jalma ngarasa teu nyaman. Ku alatan eta, lingkungan jamban anu bersih sareng higienis penting pisan pikeun mastikeun kasehatan sareng kanyamanan masarakat.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3011", "text": "da mun ujug-ujug ngalaman serangan panik, (sabab dina pangalaman kuring serangan panik memang bisa lumangsung tanpa pemicu, dina waktu nu salah wae) kayaning bari ngantri meuli inuman / bahan bacaan di supermarket, nutup pager, jsb. coba diuk heula, inhale-exhale 6 kali, sarta ngomong ka diri: \"Oke, ieu ngan serangan panik sakumaha biasa. Abdi moal maot, sarta ieu moal lepas leuwih ti 10 menit. bakal indit sorangan kawas baheula.\" teras sebutkeun 8 objék anu aya di sabudeureun anjeun dina waktos éta pikeun ngalihkeun pikiran anjeun. Léngkah rasionalisasi ieu mangpaat pikeun nenangkeun diri. sabab umumna jalma anu serangan panik bakal langkung gugup nalika pikiranna museur kana gejala anu dirasakeun. Janten anjeun kedah milarian cara anu paling efektif pikeun anjeun ngarasionalkeun gejala, dina nada anu paling lemah lembut, teras alihan panik / pikiran anjeun. Alihan bisa ngawengku cacah, humming, ngaran objék sabudeureun anjeun, atawa ngabayangkeun tempat calming.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "339", "text": "Psikoterapi mangrupakeun perawatan nu mibogaan mangpaat nu loba jang masalah mental jeung kahirupan nu sejenna. Ngan lolobana jelema masih bingung jeung teu apal kudu iraha ka psikiater teh. Kuduna tiap jelema teu ngahare-harekeun tiap gangguan nu kajadian saacan neangan bantuan. Psikiater teh nyaeta jelema nu mampu nulungan masalah-masalah dina kahirupan jeung mental. Manehna oge bisa ngarusiahkeun naon wae nu dicaritakeun. Beuki gancang neangan perawatan, beuki gancang oge bisa ngarasa leuwih enakan. Masalah ulah diantepkeun lantaran bisa jadi bahaya jang kasehatan. Komo deui pernah ngalaman trauma, misalna ditinggal ngantunkeun ku nu dipikanyaah, atawa meunangkeun perlakuan kasar. Lamun teu buru-buru ka psikiater engkena bakal mangaruhan kana gawean, siklus sare, atawa hubungan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5179", "text": "Penghargaan ti Kementerian Pemuda dan Olahraga jadi salah sahiji penghargaan bergengsi jang para atle mah. Sabab, mun hayang meunang panghargaan eta teh prestasi nu di ukir na ge kudu teu maen-maen. Kudu bisa ngabanggakeun jeung ngaharumkeun ngaran Indonesia di kancah internasional. Kamari, Rehan kenging panghargaan ti Kemenpora sabab ngaraih medali emas dina ajang Kajuaraan Dunia Arung Jeram. Salian eta, Rehan ge tos sababaraha kali kenging medali emas dina ajang sarupa, hampir unggal taun. tah dina taun nu kalima, Rehan nembe kenging eta panghargaan. Rasana meuni bungah kacida tiasa kenging panghargaan nu bergengi pisan ti Kemenpora. Tiasa diangge jang daftar kuliah jalur prestasi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2902", "text": "sababaraha tips pikeun hirup aman di kota kalawan kajahatan tinggi;\r\n* Ningkatkeun kaamanan di imah, boh CCTV (leuwih alus ditataan sacara jelas tibatan tempat nyumputna), pager, atawa pakarang sakadar bisi (sababaraha jalma nyadiakeun pedang / parang / tumbak / bedil angin), penjaga / satpam, jsb.\r\n*Mawa setrum lamun sering nyopir peuting-peuting sorangan, sanajan teu ngajamin bakal menang ngalawan begal, sahenteuna begal mikir dua kali pikeun neruskeun rampog lamun geus ngahurungkeun setrum anjeun.\r\n* make jaket kandel/jaket kulit lengkep jeung helm full face oge mun nyupiran peuting, biasana tukang begal sok gugup ngamangsa jelema siga kieu sabab malah bisa maling aparatur oge.\r\n*tip salajengna penting pisan, coba jadi jalma alus sabudeureun.\r\nKulantaran hayang preman atawa penjahat, nyaho saha babaturanana jeung nu lain, malah geus nempo video jelema hayang dirampok, tapi ternyata babaturanana teu jadi maling.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6950", "text": "Aya hiji rerencangan abdi anu dibawa ka pesantren ku kolotna pas masih keneh leutik. Manehna diajak ka pesantren nganggo mobil, teras ditinggalkeun langsung tanpa dibere nyaho naon anu kedah manehna lakukeun di dieu, padahal manehna masih keneh budak leutik anu teu apal nanaon, tapi ojol-ojol ditinggalkeun di pesantren anu di ditu teu aya hiji-hiji acan jalmi anu manehna wawuh. Pas di pesantren oge seeur jalmi anu moyokan manehna lantaran awakna leutik. Basa manehna hoyong gabung ameng sasarengan, babaturan anu sanes, babaturanna kalahkah embung ulin jeung manehna. Pas manehna tos diajak ulin manehna kalahkah jadi ucing wae. Pas ulin ucing sumput manehna dititah nyumput tapi teu dipilarian nepikeun dua jam manehna ngantosan babaturanna. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6349", "text": "Kamar mandi jadi salah sahiji tempat penting bagi sakabeh jalma. Rek ka mana jeung di mana wae ge pasti butuh kamar mandi. Ngan teu jarang aya jalmi nu sok salah asup sabab teu apaleun atawa teu katempoeun tanda kamar mandi awewe jeung kamar mandi lalaki. Pernah kajadian lalaki salah asup ka kamar mandi awewe, mangkaning keur rame pisan di kamar mandina. Untungna euweuh nu ngarasa karugian, ngan meureun segi privasina kaganggu jeung kanyamanan nana. Nu lalaki ge sarua era pisan da salah asup, jaba ning keur rame pisan. Aslina moal bisa poho pangalaman nu kitu mah, bakal na inget wae.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5956", "text": "Keur di jalan peuting-peuting, abdi make motor nyalira ngaliwatan totoang pinus anu poek pisan. Totoangna panjang pisan, aya nepi ka lima ratus meter mah. Keur sorangan ngaliwat teh jol di sisi jalan pelebah nu poek teh aya nu make baju kabaya hejo. Leumpang sisi jalan make kabaya hejo, buukna di sanggul, handapna make samping nu ngetat. Baju kabayana warna hejo, sampingna warna cokelat semu lorengn hideung. Leumpangna ngungkug we sisi jalan, disorot ge teu ngalieuk wae. Abdi mikiran saha jalmana nu wayah kieu wanian liwat kadieu, teu mikir yen eta teh boa lain jalma. Geus nepi ka imah karek we abdi nyadar boa nu tadi teh emang lain jalma, tapi makhluk nu keur nembongan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2543", "text": "Psikolog, anu kawentar ku ulikan ngeunaan kahayang jalma pikeun sasuai jeung otoritas leuwih etika pribadi, ngaranna Stanley Milgram dijieun percobaan on line-cutters (panyarobot) atawa ogé katelah antrian-crappers. Dina 1980, Milgram maréntahkeun sababaraha mahasiswa pikeun ngaluncat dina antrian tikét, tanpa alesan anu jelas. Satengah tina ékspérimén, teu aya anu protés, tapi mahasiswa anu milu kagiatan hooligan nyarios yén aranjeunna henteu resep ieu. Aranjeunna ngarasa hariwang sareng éra. Naha anjeun kantos dicekel atanapi malah gagabah nalika ngantosan antrian? Atanapi anjeun resep cara anu paling sederhana sareng modéren atanapi anjeun jinis anu nyéépkeun antrian-crawler atanapi jinis anu ngantep jalma-jalma nangkep antrian anjeun sanajan kalayan haté anu beurat.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5915", "text": "Ayeuna abdi bade janten moderator dina acara musyawarah alumni organisasi di kampus. Abdi emang biasana sok jadi moderator, ngan didieu mah hawa na beda, sieun salah nepikeun informasi. Jaba ning tamu na teh alumni nu tos sarukses dina sagala bidang. Mantak sok isin mun nepi ka salah ngomong atawa kurang nguasai acara teh. Samemeh acara dimulai teh abdi tos paranas tiris bari deg-degan sabab sieun aya kasalahan dina pas jadi moderator. Abdi nyoba nenangkeun diri ku cara cicing di tempat sepi jeung ngeunaheun euweuh jalma. Abdi meuni geumpeur pisan harita. Tapi kukumaha ge acara kudu tetep dilaksanakeun, jeung lakukejn nu terbaik sabisa abdi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2527", "text": "Panon caang! Ujug-ujug manggihan laci \"harta karun\" di imahna sanggeus curiga lomari anu geus ditutup mangpuluh-puluh taun. \"Aya naon di dinya?\". Média Cina ngalaporkeun carita awéwé anu cicing di Nanning, Propinsi Guangxi, Cina nalika anjeunna ujug-ujug mendakan harta karun anu parantos dipohokeun salami puluhan taun. dina laci dresser sorangan. Cenah, waktu keur leutik sok ngajalankeun usaha leutik, mindeng ngayuh sapedah ngajual buah jeung sayuran. Ieu ogé ngaheéat waragad. jeung biru nu geus disimpen dina laci dikonci bener, Tapi sanggeus sababaraha waktu, manéhna leungit konci laci. Sarta ti saprak éta laci teu kungsi keuna deui. Sapuluh taun ti harita, laci tabungan masih aya. Nepi ka hiji poé manéhna ngahaja meresihan imah. jeung niat ninggalkeun kabinét, tuluy manéhna nyobaan muka laci nepi ka hasil. Dan kaget ningali jerona pinuh ku duit kertas heubeul.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7521", "text": "Hiji waktos abdi sareng rerencangan nuju ulin ka walungan, sabenerna walungan eta teh masih keneh deet pas urang ameng ka ditu, tapi teu lila jol aya cai ti luhur jigana mah eta teh cai kiriman ti daerah anu hujan di luhur. Abdi sareng rerencangan langsung sarieun tuluy buru-buru lumpat ka luhur, ka tempat anu teu kakeeeum cai. Abdi sareng rerencangan nyarepengan ka batu lantaran cai anu datang teh gancang pisan, teu nepika samenit eta cai geus pinuh jeun badag pisan. Abdi sareng rerencangan sababaraha kali kabawa ku cai tuluy tilelep, tapi untungna masih tiasa keneh nyepeng ka tali anu urang bawa ti imah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6031", "text": "Mun geus ngalakukeun dosa teh, cara ngenta ampunan ka Gusti Allah SWT na ku cara sholat taubat. Tata cara sholat tabat teh jiga sholat sunah nu lainna, tapi beda niat jeung beda bacaan doa satelahna. Sholat tabat teh dua rokaat, nu dimimitian ku niat sholat taubat. Tuluy takbirotul ikhrom. Geus kitu, maca doa iftitah nu dilajengkeun kana Al-Fatiah jeung surah pendek dina Al-Quran. Geus kitu rukuk, tuluy itidal. Teras sujud, duduk antara dua sujud, tuluy tatih deui jang rokaat kadua. Tah rokaat kadua ge sai, ngan diakhiri ku tahiyat ahir jeung salam. Tos salam teh tuluy istigfa sing seueur jeung maca doa taubat. Tong hilap istigfar jeung sesali sagala rupa dosa, tuluy menta dibukakeun pintu ampunan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "754", "text": "Kurang sare bisa nyebabkeun otak milu cape jadina gawena nurun. Alhasil, urang jadi hese rek konsentrasi teh, jadina sok bingung sorangan, hese mikir jernih, nepikeun ka hese jang nyerna informasi anyar. Awak nu kacapean ditambah ku gawe otak nu loyo nyieun produktivitas urang morosot jadina stres. Stres ku sabab tuntutan pagawean ditambah rupa-rupa efek kurang sare bisa nyieun emosi urang ngabeledug siga bom waktu. Misalna urang ngarasa hariwang pas pagawean acan beres padahal deadline geus mepet. Tuluy pas batur nanyakeun pagawean urang geus beres can, urang babari ngambek. Padahal kuduna urang teu kudu nepikeun ku cara ngambek jang ngaresponna, cukup dijawab sasingkatna atawa mun embung ngajawab leuwih alus cicing.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8459", "text": "Jalma bisa ngarasa jijik nalika ningali tumpukan sampah kusabab sababaraha alesan. Tumpukan sampah tiasa bau pisan goreng sareng memicu reaksi geuleuh. Tumpukan sampah tiasa ngandung bakteri, virus, sareng partikel sanes anu tiasa nyebarkeun panyakit sareng memicu reaksi geuleuh. Sababaraha budaya sareng norma sosial ningali tumpukan sampah henteu higienis sareng pikasieuneun. Tumpukan sampah tiasa mangaruhan estetika lingkungan sareng memicu reaksi geuleuh. Tumpukan sampah anu henteu dikokolakeun kalayan leres tiasa nyababkeun masalah lingkungan sareng kasehatan, sapertos kontaminasi cai sareng taneuh, anu memicu reaksi geuleuh. Reaksi geuleuh kana tumpukan sampah tiasa dipangaruhan ku faktor-faktor ieu sareng memicu reaksi fisik sareng emosional. Sanajan reaksi geuleuh kana tumpukan sampah anu bisa ditarima tur umum, eta masih penting pikeun ngubaran sakuliling kalayan hormat tur ngajaga aranjeunna bersih.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2212", "text": "Sanaos anjeun henteu tiasa ngahindarkeun parasaan ieu, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kaduhung pikeun ngabantosan anjeun tumbuh sareng robih janten langkung saé.\r\n1. Hindarkeun Obsessing Leuwih Kaduhung Baheula\r\nWajar pikeun unggal jalma ngalakukeun kasalahan. Kami henteu salawasna terang naon anu kudu dilakukeun dina kaayaan anu tangtu. Sanajan kitu, coba diajar ngeunaan eta. Nuluykeun ngahukum diri anjeun ku hal-hal anu kajantenan di jaman baheula bakal ngabahayakeun kamampuan anjeun pikeun nyandak kaputusan dina waktos ayeuna sareng ka hareup.\r\n2. Hampura Diri\r\nKaduhung biasana ngalibatkeun komponén kasalahan sareng sering ngajadikeun anjeun ngéléhkeun diri. Kumaha carana mopohokeun kaduhung bisa dipigawé ku ngahampura diri. Ngahampura diri ngamungkinkeun anjeun pikeun ngaleungitkeun amarah, kabencian, atanapi kuciwa anu anjeun rasakeun ka diri anjeun. Numutkeun psikolog Ikhsan, dina prosés ngahampura diri aya émosi positif anu lumangsung. Ieu tiasa ngabantosan urang pulih, nampi kaayaan anu kajantenan, sareng ngabantosan ngirangan kaduhung. Tinimbang ngahukum diri pikeun kasalahan, éta langkung hadé pikeun ngarawat diri sareng ngahampura.\r\n3. Témbongkeun Kahadean ka Diri Anjeun\r\nSanaos anjeun parantos ngadamel pilihan anu goréng dina jaman baheula, éta sanés hartosna anjeun salamina ditakdirkeun pikeun ngulang kasalahan ieu dina waktos ayeuna sareng ka hareup. Ngidinan diri pikeun ngaliwat kaayaan anu sami nganggo pangalaman. Ku gaduh pamahaman anu langkung saé, anjeun tiasa kalakuanana langkung positip.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8199", "text": "Sieun dicarekan teh salah sahiji ciri upami urang ngalakukeun kasalahan. Arek eta kasalahan pagawean, cinta, atanapi nu sejenna tangtos nimbulkeun perasaan sieun dina hate urang. Rasana sieun dicarekan teh teu geunah pisan, kusabab urang terus-terusan mikirkeun naon nu bakal kajadian upami batur nyarekan urang. Urang sieun disentak, sieun dipolototan, sieun diijidan tur sajabana. Rasa sieun eta janten berubah rasa sedih upami leres kajadian. Urang tiasa sedih upami keur dicarekan teu tiasa nyarios nanaon, teu tiasa nempo jelema nu nyarekan, teu tiasa gerak hareueun nu nyarekan kusabab sieun dicarekan leuwih hade. Tungtungna mah urang tiasa wae ceurik upami tos dicarekan teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7257", "text": "Dinten ieu abdi tos siap-siap bade angkat mudik ka kampung tempat kuring dibabarkeun. Tos teu sabar abdi bade patepang sareng mamah jeung bapa. Abdi mawa seeur cacandakan kanggo mamah jeung bapa. Taun ieu abdi mutuskeun nganggo kapal terbang lantaran supados leuwih gancang, janten teu lami di jalan. Abdi ngenta tulung pang mesenkeun tiket ka rerencangan anu bade mulih ka kampung oge, tapi benten tanggalna. Manehna langsung ngirimkeun tiketna via email. Abdi dugi di bandara tabuh tujuh lantaran jadwal angkatna tabuh salapan enjing-enjing. Pas bade nukerkeun tiket epekteh teu tiasa, abdi bingung pisan naha teu tiasa. Teras abdi langsung naros ka rerencangan anu mesenkeun tiket. Manehna ngomong yen tiketna patukeur jeung nu manehna. Pas abdi ningal epekteh bener tiket nu dicepeng ku abdi teh tanggalna nu kamari.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4420", "text": "Jalma anu ambek biasana dibalukarkeun ku rupa-rupa hal, contona ku sabab gelo, ngarasa teu adil, kuciwa, jeung sajabana. Sanajan kitu, kaayaan kaséhatan tangtu kadang bisa memicu hiji jalma ambek sanajan euweuh sabab. Borderline Personality Disorder nyaeta salah siji penyebabna, BPD ( Borderline Personality Disorder) atawa disebut oge borderline personality disorder nyaeta gangguan jiwa anu dicirian ku mood sareng citra diri anu sering barobah sareng gaduh paripolah impulsif. Nurutkeun The Mighty, loba jalma kalawan BPD ngalaman amarah teu kaampeuh alatan isu ngalalaworakeun. Aranjeunna condong ngabeledug di jalma anu pangdeukeutna ka aranjeunna sabab ngungkabkeun sadaya amarah anu aya dina budak leutik, nalika kolotna atanapi jalma anu caket sareng aranjeunna ninggalkeun aranjeunna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "365", "text": "Korlantas Polri ngungkapkeun ayeuna jumlah kacilakaan kendaraan bermotor nu ngalibatkeun sepeda motor geus nepikeun ka 120.284 kasus nu 85.691 kasus diantarana nu ngajadikeun kacilakaan. Angka eta mangrupakeun akumulasi sapanjang Januari-September 2022 alias nepi ka akhir pekan kamari. Ieu turun 12 persen lamun dibandingkeun taun kamari nu nepikeun ka 97.095 kasus. Dina jumlah kasus kacilakaan eta, 16.115 kasus di antarana nu nyebabkeun raheut nu fatal boh pengemudi atawa penumpang. Samentara raheut beurat saloba 7.918 kasus. Aya oge pengemudi jeung penumpang nu ngalaman raheut ringan pas geus kajadian kacilakaan nu paling loba nyaeta jumlahna 101.205 jelema. Dumasar kana eta, bisa disimpulkeun sepeda motor nyumbang angka paling gede nu matak kajadian kacilakaan di jalan Indonesia, nyaeta nepikeun ka 80 persenan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8997", "text": "Cara katilu nyaéta pura-pura leumpang ka mana waé. Ieu salah sahiji jenis strategi, ulah kasampak gugup kawas anjeun terang ka mana urang rek indit. Sanaos anjeun tegang sareng nyandak sababaraha péngkolan anu salah, coba ulah katingali sapertos anjeun salah jalan. Ieu tiasa janten cara anu saé pikeun ngabuktikeun naha jalma éta leres-leres nuturkeun anjeun atanapi henteu, sareng masihan anjeun langkung waktos pikeun mikirkeun rencana. Ogé upami anjeun katingalina leumpang kalayan yakin, jalma éta panginten anjeun sanés udagan anu gampang. Panginten anjeunna nyangka anjeun badé ka pésta anu seueur jalma. Cara kaopat, ulah ngirim pesen bari leumpang. Telepon sélulér urang bakal mangpaat pisan engké, janten entong nga-SMS sabab upami anjeun sms, sirah anjeun bakal tungkul sareng anjeun tiasa waé henteu merhatikeun ayana urang asing. Upami anjeun sibuk dina telepon anjeun, urang asing panginten anjeun henteu merhatikeun sakuliling anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "604", "text": "Lamun ninggali jurig pasti reuwas tapi ceuk urang mah tong nepikeun ka tergesa-gesa. Sabab pernah ngalaman basa keur naek motor di daerah Gunung Halu peuting-peuting jalanan oge sepi jeung jarang aya lampu jalan. Aya kana jam 9 nan urang indit jeung babaturan tapi beda motor, manehna mah geus dihareup urang ditinggalkeun di tukang. Pas ninggali aya jurig di jembatan nu dilewatan ku urang, urang langsung ngebut ngagas motor nepikeun ka tereh pisan asup ka sisi jurang sabab ku tarik jeung teu apal trek jalanna. Urang ngagas tarik teh lantaran ku sieun diudag-udag ku jurig anu padahal mah teu nuturkeun. Tidinya urang ngucap istigfar ka Allah sangkan ditangtayungan nepikeun ka nepi tujuan. Urang nyobaan kalem Alhamdulillah bisa nepi ka imah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7821", "text": "Isuk-isuk biasana abdi ngadamel sarapan nyaeta endog anu diceplok atawa endog acakadut anu gampang jeung praktis. Abdi nyandak endog tina kulkas sabari manaskeun katel anu geus dipasihan minyak. Pas abdi nyeplokkeun endog kana katel, abdi langsung ngambeu bau hanyir tina endog eta, tapi ieu mah bauna teh nyereud pisan siga endog buruk. Epekteh pas dikatel katingal dina endogna aya nu harariedung. Ieu janten ka dua kalina abdi manggihan endog anu busuk/ Pas ditilik-tilik, ieu teh endogna anu dipeser ti warung anu sarua. Ti kajadian eta abdi janten ati-ati lamun bade nyeplok endog, mending ditandean heula ka mangkok sateuacan ka katel, bisi endogna buruk. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2208", "text": "nalika kuring sadar yén kuring parantos ngagaduhan murangkalih sareng pamajikan tapi kuring dikonci pikeun kuliah sareng ngawujudkeun impian kuring. Anjeun terang maksad abdi? The Nikah ngora. Ayeuna abdi yuswa 20 taun sareng abdi parantos gaduh murangkalih anu umurna 3 bulan. Biasana kuring henteu bungah pikeun kuliah sareng males ngalakukeun seueur hal. tapi ujug-ujug dunya robah karakter kuring dina 1 taun dina yuswa 19. anu tadina puguh ujug-ujug kuring langsung maksakeun digawe unggal poe demi kulawarga. anu tadina males kuliah, ayeuna ku kateken waktu teu bisa kuliah. Kuring cukup disiplin pikeun neruskeun diajar kalawan sumanget sangkan teu katinggaleun ku babaturan nu keur kuliah. sareng dina waktos ieu kuring sadar yén kuring kaduhung salami ieu. lain nikah mudana tapi heunteu tiasa maksimal sapenuh hate ker basa ngora.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6330", "text": "Basa nuju pendidkan dasar kemiliteran, Yogi ngiringan rangkaian kegiatan SAR nu dilaksanakeun di gunung Manglayang. Pas turun gunung, jalur na teh terjal pisan, taneuhna muruluk jeung gersang, kedah make tali supaya bisa nyepengan jeung turun ka handap. Pas nuju nyobian turun, saking euweuh pijakan nana, Yogi neangan pijakan ka taneuh nu rada jauh jangkauan nana. Pas rek nincak, berewek teh soek eta calana PDLna, nepi ka calana kolor jero na teh katembong. Tuluy buru-buru we Yogi teh ngagulusur ka handap da era calanana soek badag pisan. Geus di handap teh buru-buru salin calana ku nu bener, nu soek na disimpen dina tas.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7885", "text": "Pas usum ujian di sakola biasana kelasna sok dirobah janten dihijikeun sareng adi jeung lanceuk kelas supados teu niron. Tapi lantaran geus kabiasaan datang ka kelas sorangan, rerencangan abdi salah asup ka kelas teras diseungseurikeun ku jalmi anu aya di kelas manehna anu ayeuna ditempatan ku kuring salila ujian. Jadi mimitina mah manehna nuju ka cai di tengah ujian, pas balik ka kelas manehna lain balik ka kelas ujian manehna, tapi kalahkah asup ka kelas anu sanes. Pas manehna muka panto manehna reuwas lantaran ditingalikeun ku sadaya jalmi anu aya di kelas kuring. Manehna langsung seuri sabari kabur tuluy diseungseurikeun. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9154", "text": "Kuring boga seueur ucing di bumi. Waktu éta kuring keur dahar beurang di meja makan. Ujug-ujug aya ucing datang ka kuring, sarta diuk deukeut korsi kuring. Tadina mah ngan ukur keur ngaletakan awakna, tapi ujug-ujug kadangu aya sora nu aneh. Tétéla ucing kuring teh keur utah, utah anu kaluar nyaéta pepelakan sareng benda anu katingali sapertos tai ucing tapi beda. Kuring langsung ngaraos jijik dina waktos éta, khususna nalika tuang, janten kuring langkung seueul. Saprak harita kuring teu kungsi mawa ucing ka jero imah deui, ngan diantep di luar imah pikeun ngalalana, sakurang-kurangna mun hayang dipakanan mah dibawa asup tuluy dibawa kaluar deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6966", "text": "Abdi gaduh hiji sobat anu dekeut pisan ti leleutik. Urang duaan tos sasarengan ti TK nepikeun SMA. Imah urang padeukeut, kamamana sasarengan, teu jarang oge urang liburan sareng kulawargi urang. Urang duaan gaduh jangji pokonamah bakal sasarengan nepikeun kuliah. Manehna hoyong pisan asup kuliah masak lantaran manehna resep pisan masak. Abdi oge resep masak tapi abdi leuwih atoh lamun asup ka jurusan gizi. Pas bade ujian asup kuliah abdi beja ka manehna yen abdi hoyong asup jurusan masak, sarua sapertos manehna supados manehna atoh. Pas pangumuman kuliah, abdi katarima di jurusan gizi, manehna sedih naha abdi teu jujur ka manehna teu masihan apal bade kuliah di jurusan gizi oge, padahal manehna oge sempet kapikiran hoyong kuliah di ditu. Jadi we ayeuna urang pisah kampus. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4384", "text": "Ayeuna ku emae na dunya media sosial, urang jadi bisa ningali kajadian kajadian palangaran anu di jieun, boh anu gede atawa anu leutik contoh na nyaeta sorobot antrian. Sababaraha bulan ka tukang media sosial keur rame pisan kusabab aya video nyaeta kalakuan jelema anu sangeunahna nyorobot antrian basa erek ngeusi bensin di SPBU. Cenah, kajadian Eta lumangsung dina 5 Agustus waktu manéhna jeung indungna antri pikeun ngeusian Pertalite di SPBU. Sabot Tata jeung rombongan mobil sejen keur ngantri, ujug-ujug aya mobil pelat bintang tilu BG 7 UB langsung nyabrang hareupeun mobilna. Lantaran teu diijinan motong antrian, lalaki nu nyupiran mobil mewah tuluy malik ganas jeung langsung neunggeulan Tata. Untung na tata ngarekam kajadian eta, tuluy jadi viral di sosial media. Saenggeus viral jadi loba anu neangan saha jeleman na tuluy loba di bully ku netizen kasus kakerasan na oge di lanjutkeun ku kapolisian.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7335", "text": "Abdi teu kunanaon lamun dipoyok ku batur, tapi lamun sakalina aya jalmi nu sok maen pisik sapertos neunggeulan, abdi teu tarima, pasti bakal dibales ku abdi. Abdi gaduh hiji rerencangan anu teu apal kunaon manehna siga nu teu resep ka abdi, unggal abdi ngalakukeun naon wae manehna pasti langsung ningalikeun sabari rada sinis. Mimitina mah ku abdi dicicingkeun lantaran abdi teu pernah ngarasa ngalakukeun kasalahan ka manehna, tapi beuki lila abdi ngarasa manehna kalahkah beuki parah nunjukkeun yen manehna teu resep ka abdi. Tungtungna manehna nepikeun nungguan abdi belokan jalan sabari neunggeul, abdi teu tarima langsung ngahindar sabari ngalindungan diri sorangan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5151", "text": "Biasana abdi can pernah kenging mun miluan dorprise teh. Ah ayeuna mah iseng we ngiringan dorprise dina hajatan tatangga. Jadi, beres ngeusi daftar hadir tamu teh dibere kupon hiji ewang. Kupon diundina jam dua beurang, beres acara inti. Saurang nyekel kupon nu nomorna geus dicatet oge dina kotak undian. Beres acara inti, langsung pembagian dorprise. Pangantenna nyandakan hiji-hiji kertas nu aya di jero kotak kaca. Geus kitu disebutan barangna hiji-hiji jeung nomor undian nu tadi dipilih panganten. Alhamdulillah nu abdi kasebut, heg kenging ember. Aduh kacida atohna euy meunang ember jang nyeuseuh! Buru-buru we ku abdi di rawatan eta ember na teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5595", "text": "Mun sakola SMA teh, abdi mah sok nebeng ka rerencangan nu bumina ngaliwatan bumi abdi. Unggal poe bareng wae ka sakola na. Hiji poe, pas pisan poe ulang taun abdi, sinarieun balik sakola teh piketna lila. Abdi nungguan babaturan abdi nu keur piket, tapi geus sajam teu beres keneh ngepel di jero kelasna. Meuni geus kesel nungguan, abdi sampeurkeun we ka kelas. Kacida reuwasna pas muka panto jol anjeunna nyodorkeun kue ulang taun ka abdi. Alhamdulillah abdi bungah pisan bari reuwas jeung ceurik haru. Sugan teh ngajejengkel rek naon, singhoreng mah keur nyiapkeun surprise. Ah pokokna harita mah bungah kacida.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2990", "text": "Sabab waktu harita kuring deukeut jeung awewe saumuran kuring, aya batur anu timburu, tempo eta awewe teh boga prestasi alus di SMA. Sareng ieu budak anu timburu ka kuring rada bangor di sakola. Loba batur sakelas kuring ngahormat ka manehna (budak teh), tapi laun-laun kuring nyaho yen lolobana mah ngahormat ka eta budak, sabab manehna resep dicarekan ku ieu budak, boh di kantin boh di luar warung. Sajauh kuring nyaho nu nelepon bisa geus anjeunna, atawa ngawartoskeun salah sahiji babaturanana. Tapi tos rengse, margi abdi biasa gelut sareng anjeunna di lapangan. Telepon teror anu aya kalana ngaluncur ka darat parantos ngaleungit ti saprak éta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8174", "text": "Jalan-jalan satapak di kampung Sagara teh saleresna pararoek can aya penerangan. Padahal jalan ieu mineng dianggo warga pikeun leumpang upami keur peuting, kaasup barudak nu tos beres ngaos. Dua poe saacan puasa teh barudak insiatif bebersih di masjid nika pueting. Balikna sarerea ngaliwatan jalan sisieun kuburan lila. Kusabab geus peuting jalanan ieu poek tur serem pisan barudak padempet-dempet kusabab sarieun. Dina luhur tangkal awi ujug-ujug aya nu ngapung kaarah barudak nu keur lalempang. Barudak langsung lumpat ngabecir tur gogorowokan. Neupi ka imah masing-masing ieu barudak teu nyangka keneh maranehna nempo jurig. Kusabab sieunna peuting-peuting saaatosna teu aya deui nu wani balik peuting-peuting ti masjid.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6893", "text": "Pas akhir Romadon, abdi di sms ku rerencangan. Rerencangan anu leuwih sae disebut sobat lantaran urang tos babarengan ti TK keneh, ti leleutik, nepi ayeuna manehna bade nikah. Pas manehna nga sms abdi tos nebak obrolan ieu bakal ngarah ka mana. Nyatana bener, manehna bakal nikah saatos lebaran, di sasih Syawal. Sasih anu sae kanggo ngalangsungkeun nikahan. Aya rasa bagja jeung lega anu teu tiasa digambarkeun ku abdi salaku sobat, tapi aya oge khawatos lantaran urang moal tiasa ulin nepi ka peuting siga baheula. Abdi ngarep manehna tiasa janten jalmi anu langkung dewasa sareng caroge na. Janten kulawargi anu sakidah mawadah wa rohmah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2232", "text": "Sarerea pasti ngarasa sedih. Pikeun ngalereskeun ieu, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kasedih anu anjeun tiasa nyobian. Sanajan ieu geus ilahar, hal anu penting pikeun nengetan ieu, sabab rarasaan hanjelu nu diwenangkeun nyered on bisa memicu sagala rupa masalah kaséhatan. Perasaan sedih biasana samentara sarta bakal leungit sorangan sanggeus pemicu pikeun sedih kaliwat. Sanajan kitu, parasaan ieu mindeng nyieun hiji jalma leuwih cicingeun, teu antusias kana kagiatan, sarta ngabogaan kasusah konsentrasi. Kasedih tiasa muncul dina kaayaan naon waé, naha jalma ngalaman karugian, kagagalan, kuciwa, teu daya teu upaya, atanapi putus asa.\r\n\r\nSangkan kasedih anu dirasakeun henteu berkepanjangan, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kasedih anu tiasa dilakukeun, diantarana:\r\n\r\n1. Ngartos kasedih anu dirasakeun\r\nNgartos yén kasedih mangrupikeun parasaan normal pikeun sadayana sareng kedah dikedalkeun. Ku pamahaman sarta sakaligus nyerep emosi nu ngalir dina, hate bakal leuwih lega tur bisa narima kaayaan nu geus kaliwat.\r\n\r\nNanging, anjeun ogé kedah masihan diri anjeun wates waktos. Entong ngantepkeun kasedih anu jero ngajantenkeun anjeun langkung nyalahkeun diri atanapi mikiran hal-hal anu négatip.\r\n\r\n2. Nyaritakeun kasedih ku ceurik\r\nSababaraha urang kadang milih nyumputkeun kasedihan maranéhanana. Sanajan kitu, éta hadé pikeun curhat kasedihan sangkan bisa leungit geura-giru. Lamun hayang ceurik, tuluy ceurik. Sakapeung, ceurik tiasa ngajantenkeun anjeun langkung saé sareng lega.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8507", "text": "Pikeun ngaleungitkeun rasa era nalika anjeun salah asup ka WC, ieu sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun. Coba pikir positif sarta pikir ieu salaku kasalahan umum. Emut yen sadayana parantos aya dina kaayaan ieu sareng eta sanes masalah anu ageung. Upami anjeun sadar yen anjeun salah asup ka WC, cobian kaluar santai sareng henteu nunjukkeun isin atanapi hariwang. Teu merhatikeun batur jeung fokus kana diri sorangan. Inget yen maranehna bisa jadi sibuk ku hal sorangan jeung teu merhatikeun naon anu lumangsung. Coba diajar tina kasalahan ieu sareng janten langkung ati-ati ka hareup. Ieu tiasa janten palajaran anu berharga sareng ngabantosan anjeun pikeun nyingkahan kasalahan anu sami di hareup. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7604", "text": "Abdi gaduh adi anu borangan pisan padahal manehna resep nongton jurig tapi saprak manehna hayang ka kamar cai langsung sieun jeung menta dibaturan. Teu ngan ka kamar cai hungkul, lamun manehna bobo oge pasti menta dibaturan nepikeun manehna bobo. Lamun manehna bade ka luhur sorangan atawa pas manehna bade ka hiji ruangan anu aya di lantai dua jeung ka lamun ka dapur oge pasti menta dibaturan. Abdi sabenerna cape jeung rada keheul kedah maturan manehna wae unggal ka mamana, tapi da kumaha deui manehna pasti ceurik lamun teu dibaturan. Abdi oge ngajarkeun ka manehna supados manehna wani ka mamana sorangan supados teu ngahesekeun batur.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7489", "text": "Abdi mangrupakeun mahasiswa anu ngarantau ti kampung, ayeuna nuju cicing di kosan dekeut kampus. Abdi milih salah sahiji kosan anu dekeut ti kampus tapi mirah lantaran jalan ka kosan anu rada poek jeung rada sepi lamun peuting-peuting. Abdi oge tos diingetan yen di kosan ieu teh tos aya lumayan seeur kajadian anu ngarugikeun mahasiswa. Tapi lantaran pangaosna mirah abdi tetep milih cicing di kosan ieu. Hiji peuting pas abdi nuju mapah ka kosan abdi ngarasa dituturkeun ku jalmi, sigana manehna apal abdi bakal ka kosan anu sepi eta, abdi ngahaja langsung asup heula ka Alfamart anu muka 24 jam, manehna cicing di luar, pas abdi ngintip, manehna mawa peso. Abdi cicing di Alamart rada lila lantaran teu wani ka kosan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1395", "text": "Paling sieun teh ku sato anu geunyal-geunyal, siga cakcak, bangkong, jeung cakung. Cakung teh boga ciri khas manehna bisa ngalompat ti hiji tempat ka tempat nu sejen sacara jauh, beda jeung bangkong, sanajan siga mirip tapi lompatan bangkong teu sajauh kawas cakung. Pas harita geus sholat lohor di masigit, teu apal yen aya cakung di luhur panto teh. Urang nutupkeun pantona tarik, tuluy cakung teh ngajol kana kopeah urang. Mimitina teu apal eta teh cakung, matak ku urang dicabak jang mastikeun heula. Pas dicabak aya tekstur anu geunyal, urang langsung ngalungkeun kopeah anu keur dipake. Tidinya kakara katinggali aya cakung dina kopeah urang, urang langsung lumpat teu wani nyokot kopeah da sieun cakungna ngajol ka urang.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8921", "text": "Waktu kuring leutik, kuring kungsi kajadian pikasieuneun. Imah kuring teh unggal hujan lampuna bakal pareum. Pernah hiji poé kuring saré, teu sadar eta teh keur hujan. Nalika kuring hudang, kuring reuwas sabab sadayana poék, sareng kuring henteu tiasa ningali nanaon. Nalika kuring nyauran mamah, teu aya nu datang wae, kuring ceurik tarik. Tétéla éta waktu éta mamah teh keur di dapur ngahurungkeun lilin. Kuring langsung nangkeup indung kuring pageuh. Ti harita kuring sok sieun mun lampu pareum, nepi ka ayeuna gede oge kuring jadi jalma nu sieun ku poek. Mun poek teh kuring mah kudu nangkeup batur, karek moal sieun deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2924", "text": "Prosedur bedah di dunya modéren terus berkembang, sapertos bedah laser sareng bedah robotik. Ieu tangtu teu leupas tina sajarah operasi munggaran di dunya.Jaman operasi modern Operasi modern dimimitian dina 1842. Saméméhna, teu loba kamajuan signifikan dina widang operasi ieu. 1842 jadi sajarah sabab éta kahiji kalina bedah dipigawé maké anesthesia. Operasi anu dilakukeun dina waktos éta nyaéta amputasi. Kamajuan gancang operasi médis pikeun manusa terus ngembang pesat, khususna ku pangaweruh ngeunaan anatomi sareng sistem sirkulasi. Kanyataanna, panalungtikan lengkep ngeunaan anatomi manusa dimimitian dina abad ka-17. Sanajan kitu, éta ngan réngsé sarta dipaké lega dina abad ka-18. jaman eta mangrupakeun jaman munggaran ti mulaina operasi modern nu ayeuna geus mekar kamana-mana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8466", "text": "Dahar katuangan anu buruk teh tiasa ngajantenkeun jalma gering, seueul, sareng nyababkeun reaksi alergi. Kadaharan anu rusak biasana ngandung bakteri ngabahayakeun anu tiasa nyababkeun infeksi saluran pencernaan sareng sagala rupa masalah kasehatan anu sanes. Upami anjeun tuang tuangeun busuk, anjeun tiasa ngalaman teu ngarareunah, seueul, atanapi kesel burih. Anjeun oge bisa ngalaman diare, utah, atawa masalah kasehatan sejenna. Pikeun ngahindarkeun masalah kasehatan anu disababkeun ku kadaharan anu rusak, pastikeun pikeun pariksa tanggal kadaluarsa sareng kaayaan tuangeun sateuacan tuang. Upami anjeun ngarasa yen kadaharan anu anjeun tuang karasa goreng atanapi rusak, miceun eta langsung sareng konsultasi ka dokter upami anjeun gering.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7577", "text": "Di taun 2011, Jepang ngalaman tsunami anu pang badagna anu pernah kajadian di jepang. Abdi ningal warta dina tipi, anu asalna ngan lini anu badag, isukna langsung tsunami badag pisan. Abdi anu ningal dina pidio hungkul oge ngarasa sieun. Komo jalmi anu aya di dinya. Tsunami teh bencana anu paling pikasieuneun pisan lantaran urang tiasa lumpat ka mamana, rek cicing di tempat anu jangkung oge angger we cai laut mah bakal leuwih kuat jeung tiasa nyapu wangunan anu kuat oge. Abdi ningal warta tsunami Jepang sabari ngabayangkeun anu dialaman ku urang Indonesia basa tsunami 2004. Untungna di Jepang mah geus aya peringatan ti pamarentah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3243", "text": "Sakumaha dicutat tina UIMC.discoveryhospital.com, Salasa (22/6/2010) utah sorangan lain kaayaan nular sarta mangrupa réaksi tina kaayaan dina awak. Nanging, upami utah ieu disababkeun ku panyakit nu tepa, maka inféksi éta tiasa ditularkeun. Sanaos ieu ngan ukur réaksi kana bau anu goréng, kamungkinan yén awak ngagaduhan réaksi subconscious kana kaayaan sakurilingna. Faktor séjén nyaéta aya kamungkinan yén batur ngagaduhan burih sénsitip. Sababaraha ahli ngajawab yén pangjurung pikeun utah bisa dikawasa ku barang dahar pangan jeung inuman nu tangtu sarta nyoba bersantai awak ngaliwatan engapan sarta puasai. Lamun hiji jalma ngarasa seueul, coba lalaunan meakeun inuman karbonat, coba kaluar pikeun meunangkeun hawa seger atawa narik diri ku kagiatan séjén. Hiji hal anu pasti, ulah gura-giru ngalakukeun olah raga atawa olah raga, sabab sababaraha rupa kaayaan anu meryogikeun usaha bisa nimbulkeun seueul.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2231", "text": "Perasaan sedih biasana samentara sarta bakal leungit sorangan sanggeus pemicu pikeun sedih kaliwat. Sanajan kitu, parasaan ieu mindeng nyieun hiji jalma leuwih cicingeun, teu antusias kana kagiatan, sarta ngabogaan kasusah konsentrasi. Sanaos saha waé tiasa ngalaman sareng muncul iraha waé, perasaan kasedih kedah dikokolakeun sareng dikadalikeun supados kagiatan sapopoé henteu kaganggu sareng kaséhatan fisik sareng mental henteu kapangaruhan.\r\nNyanghareupan kasedih kalayan bijaksana\r\nSanggeus narima guligah kasedih jeung ngaleupaskeun, pikiran bakal leuwih santai. Ku cara éta, Sadérék bisa mikir bijaksana dina nyanghareupan kasedih jeung manggihan solusi pikeun masalah nu disanghareupan. Émut, kasedih anu anjeun alami bakal ngaliwat sareng pasti aya pelajaran di balik unggal kajadian.\r\nNgahibur diri ku seuri\r\nNalika anjeun ngarasa sedih, laksanakeun hiji hal pikeun ngajantenkeun anjeun seuri deui. Hiji hal basajan anu bisa memicu seuri nyaeta nonton pilem komedi atawa video lucu dina média sosial. Salian ti ngusir kasedih, pedah seuri oge alus pikeun ngurangan setrés komo ningkatkeun daya tahan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2503", "text": "Saurang nini warga Kudus, Jawa Tengah, teu nyangka meunang hadiah utama sapédah tina program vaksinasi. Vaksinasi kalawan hadiah dijudulan \"Hayu Vaksinasi Suci\" nyadiakeun rupa-rupa doorprize séjén sarta dilaksanakeun kalawan tujuan pikeun narik minat masarakat. Éyang Rasiyem (58), warga Désa Wergu Wetan, Kacamatan Kota, Kabupatén Kudus, Jawa Tengah, anu meunang sapédah motor matik hadiah tina program vaksinasi. Mimitina, manéhna nyangka manéhna jadi sasaran panipuan nalika dikontak ku tim Vaksinasi Ayo Kudus ngaliwatan telepon. Dina telepon éta, Rasiyem meunang béja yén manéhna meunang hadiah motor vaksin. Anjeunna mimitina henteu percanten. Tapi, sanggeus video call dijieun ku tim vaksinasi, Rasiyem tungtungna percaya. Sanggeus narima béja, Rasiyem teu bisa saré salila dua poé. “Enya, tadina mah kuring teu percaya, sabab anggapan éta téh ukur panipuan. Tapi sanggeus video call tuluy percaya. Abdi henteu ngagaduhan perasaan yén kuring hoyong kéngingkeun hadiah, tapi saatos dibéjaan yén kuring henteu tiasa bobo salami dua dinten,\"", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5618", "text": "Antre jadi salah sahiji hal nu biasa dipanggihan di Indonesia. Ngantre saolah jadi salah sahiji kabiasaan masyarakat Indonesia. Mun rek meuli dahareun, kudu ngantre. Rek meuli tiket kareta, meuli tiket pesawat, jeung nyokot pembagian sembako atawa bansos ge kudu ngantre. Ngan rata-rata budaya ngantre di Indonesia teh acak-acakan keneh. Aya nu sok nyorobot teu apal aturan lah, aya nu diheulakeun sabab boga orang dalam lah, jeung lain-lain. Tah sabenerna mah justru nu kieu nu mantak ngantre teh, teu sasuai jeung urutan, jadi ngacak kanu sejenna. Coba mun ngantri na berurutan mah, meureun moal aya nu dirugikeun jeung deuih waktu na leuwih efisien.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2569", "text": "Caritana mah babaturan kuring ngajak naék motor bari ngurilingan. Saméméh simpang, kuring bisa ngarasakeun niup jeung tekanan dina sirah kuring sanajan kuring maké helm. Bingung kumaha ari aya nu neunggeul heuras kana sirah kuring tanpa kuring terang timana asalna, kuring bisa ngarasa nyeri sabudeureun beuheung kuring alatan kakuatan tina pukulan jeung pantulan ti helm. Kuring nanya ka babaturan nu keur nabrak, manéhna ogé teu nyaho. Tungtungna kuring ngajak balik deui ka éta jalan sabab jalanna rada padet ku pejalan kaki (jalan utama), kami niténan lalaunan sareng cukup pasti tungtungna mendakan saha éta. Tétéla aya hiji jalma gélo anu keur ngayunkeun kai sarta neunggeul manéhna. Sarta alatan manéhna leumpang jeung maén jeung kayu na bit dina trotoar deukeut jalan, éta tungtungna pencét kuring. Abdi kesel pisan tapi naon anu anjeunna tiasa ngajantenkeun anjeunna ogé jalma gélo dimana anjeunna gaduh rasa dosa, anjeunna henteu lumpat ti dinya. Enya, intina mah, mun aya jelema kitu mah, ulah diladenan sabisa-bisa mah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7512", "text": "Di Korea aya hiji lalaki anu katipu salah sahiji awewe. Mimitina mah ngan diajak DM-an hungkul tina Instagram, beuki lila awewe ieu ngajakan manehna ngalih ka WA tuluy ka aplikasi anu tiasa dipake SMS an tapi oge tiasa janten nyandak data-dataanu aya di hape lalaki ieu. Anu tadina ngan ngobrol hungkul beuki lila manehna diajak pidio tapi teu make baju. Manehna sabenerna embung, tapi pedah hayang ningal awewena oge manehna hayang oge. Teu lila manehna dikirimkeun pidio manehna sorangan anu teu make baju tuluy diancem yen pidio eta bakal dikirim lamun lalaki eta teu ngirim duit saratus juta. Manehna sieun pidio eta kasebar. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7302", "text": "Abdi kaasup jalmi anu teu pati mineng ngarayakeun ulang taun, biasana ngan ngarayakeun kanggo murangkalih hungkul, eta oge biasana teu ngadamel kue, ngan masak nasi koneng hungkul dina mejikom. Tapi kitu wae oge abdi tos ngarasa bersyukur pisan tiasa ngarayakeun sareng kulawargi jeung rerencangan dekeut abdi. Tapi taun ieu lantaran abdi oge nuju jauh ti rerencangan jeung kulawargi abdi ngarayakeun ulang taun sorangan. Mesen kue sorangan jeung mesen minuman sorangan di cafe. Abdi teu tiasa ngempel sareng kulwargi jeung rerencangan lantaran abdi nuju kuliah di luar negeri. Pas abdi nuju diuk sorangan sabari nuang kue anu abdi pesen sorangan. Jol aya sababaraha patugas di cafe eta anu nyemperkeun kuring sabari masihan hiji kue alit anu aya lilinna. Abdi teu nyangka pisan tiasa ngarayakeun ulang taun sareng jalmi anu teu abdi wawuh. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "750", "text": "Ngambek mangrupakeun hal nu wajar asalkeun dibarengan ku alesan anu wajar jeung teu kaleuleuwihi. Tapi mun mindeng ambek euweuh sebabna, boga masalah kasehatan. Nu ku urang karasa mah nyaeta kurang sare, mun kurang sare otak urang milu cape jadina gawena nurun. Jadi weh hese konsentrasi, oge bingung kudu kumaha. Lila kalilaan jadi stres. Stres ku sabab pagawean ditambah kurang sare sakapeung mah sok langsung aambekan. Nu paling mindeng mah pas pagawean urang can beres, padahal waktu kudu beresna geus mepet. Tuluy aya batur nu nanya ngeunaan pagawean nu sarua, urang bisa babari ambek jeung sensitif. Padahal mah pan bisa dijawab santai teu kudu aambekan teu puguh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2124", "text": "Saprak mimiti, biaya catering mangrupa alokasi pangbadagna waragad kawinan. Nanging, dumasar kana survey anu dilakukeun ku Bridestory.com dina taun 2017, alokasi biaya pikeun hiasan nyaeta nu kadua ngadeukeutan biaya katering. Teu bisa dipungkir yén média sosial kawas Instagram geus nyumbang kana trend ieu.Dina obrolan jeung vemale.com , Pimpinan radaksi na bridestory.com nandeskeun yén ayeuna trend kawinan nyaéta ninggalkeun sagalana nu maximalist atawa kaleuwihan atanapi megah. Kusabab, dugi ka dieu, jalma-jalma mimiti ngahargaan sadayana anu katingalina sederhana. Tapi, memang aya pilihan hiasan Instagramable, nah janten tong riweh kanggo hari sajarah nu engke anjeun hayang, biaya teu loba nu penting tiasa sakinah mawaddah warohmah", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "651", "text": "Urang pindah sakolaan teh pas SD, tuluy balik deui ka kampung sorangan. Tapi hiji waktu mah aya reunian di sakolaan urang. Biasa reunianna teh pas aya acara bukber bulan puasa, cenah mah tiap taun sok diayakeun, tapi ku sabab urang mah karek apal jeung babaturan urang karek boga nomor urang, jadi weh apal. Harita teh urang geus SMA rek lulus, jadi aya kana 5 atawa 6 taunan mah urang teu panggih jeung babaturan. Panggih di hiji kafe, sabab urang teu apal jalanna jadi weh rada lelet datangna. Pas datang teh geus aya nu ngarumpul tapi jujur urang teu apal saha-saha wae da geus pangling.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5977", "text": "Basa nuju sakola keneh mah sok aya murid anu ngajago di sakolana, komo di lembur mah. Tah manehna teh sangeunahna ngalaukeun naon wae ka batur, termasuk ngabully. Teu jarang mun murid lain teu nurut teh sok diancam ku manehna. Ancamanna teh sok ditepikeun sabab aya nu teu nurut kana parentahna atawa dianggap saingan ku manehna. Ngancamna teh kadang mah sok di mana wae daekna. Malahan ancaman na oge kadang mah sok leuwih keras mun nepi ka dibejakeun ka guru atawa orang tua. Jadi lain kalah sadar jeung eling, kalah leuwih parah ancamanna amun dibejakeun teh. Mantak nu diancamna ge sok kapaksa cicing nurutkeun kahayangna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3028", "text": "Kuring geus ngalaman eta. Bawa batu bara 20 ton, dump truck, Hino 260. Ngaraos betah, tos tes servis rem sateuacan lebet ka turunan. Tétéla rem teu jalan, naon anu kudu dipigawé? Geuwat kuring ngalieuk ka rem mesin, sanajan geus telat jarum Rpm geus naek, tanda laju mesin ampir diudag-udag ku rotasi roda, sakurang-kurangna mah rada tenang. Naon anu kuring tiasa laksanakeun, nyepeng setir sabisa-bisa, ngantunkeun pedal gas. Fokus sabisa-bisa, nepi ka leungeun kuring ngagebeg ngeureunkeun treuk tronton nu keur turun, bari tatahar nyanghareupan gaya sentrifugal, aya tikungan hareupeun kuring ka kenca, tangtu gaya sentrifugalna ka katuhu. Sarta eta boga potensi ragrag ka katuhu. Kuring nyaimbangkeun gaya centrifugal jeung setir. Gaya ngadorong ka katuhu. Kuring ngalempengkeun setir lamun cornering. Kuring nyekel pageuh nepi ka leungeun kuring rada nyareri dina otot. Jeung kuring hasil sanggeus tarung jeung gaya centrifugal. Teras? Leumpang ka handap jalan,", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "290", "text": "Harita pas keur letik keneh, aya tanda-tanda indung urang bakal ngajuru. Pas poean rek ngajuru, indung urang nitah paraji jang datang ka imah. Parajina ge masih dulur keneh. Urang maturan indung ngaborojolkeun adi urang, sabab harita urang teu bisa leupas ti indung da masih keneh nyusu. Pas awalan ngaborojolkeun adi urang, urang teu ngarti jadi euweuh rasa bungah. Tapi lila kalilaan mah urang bungah sabab jadi boga babaturan nu bisa diajak ulin di imah teh. Nepikeun lamun rek jajan ku urang dianteur sabari ditungtun ka warung. Mun keur rungsing, sok ku urang bawa ulin. Kaulinan urang kawas lalaki sejenna, siga maen langlayangan atawa maen kaleci.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1048", "text": "Lamun urang meunang bully sacara verbal, bisa ngalakukeun cara-cara ieu. Nu kahiji ulah ngarespon ku tindakan anu kasar atawa bales dendam, lantaran hal ieu bakal memperburuk situasi jeung memicu bully nu leuwih parah. Nu kadua coba ngomong jeung batur nu bisa dipercaya, siga babaturan, guru, atawa kolot jang meunangkeun rojongan. Nu katilu nyieun catetan jang nyatet tindakan pelaku, kaasup waktu, tempat, jeung perilaku nu geus dilakukeun. Hal ieu bisa mantuan urang lamun kudu ngalaporkeun perilaku bully eta ka pihak berwenang siga guru atawa polisi. Nu terakhir ngomong jeung neangan rojongan ti jelema nu bisa dipercaya. Hal ieu mantuan dina mengatasi trauma jeung dampak negatif tina bully.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7570", "text": "Pas ngadangu kabar lini di Cianjur, abdi langsung nanyaan kabar rerencangan kuring anu aya di Cianjur. Anjeunna masih keneh reuwas jeung teu nyangka bakal aya lini. Seeur barang-barang di imahna anu pareupeus anu nyieun kaayaan leuwih sieun deui. Untungna lini ieu teu aya potensi janten tsunami. Padahal imah anjeunna masih keneh rada jauh ti pusat lini, tapi geus karasa pisan. Anjeunna mutuskeun kanggo ngalih ka Bandung heula kanggo sementawis. Di sajajalaneun seeur pisan ambulans anu bulak-balik. Anjeunna trauma kana sora ngiung ambulans. Lantaran sieun oge anjeunna teu acan siap ngalih ka Cianjur deui, komo ngadangu masih keneh seeur lini susulan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6379", "text": "Biasana jalma nu gaduh hutang heg teu kaduga mayaran teh sok kakaburan ka mana wae da sabab loba nu nagih ka imahna. Komo mun jumlah hutangna gede pisan mah, mantak heurin lengkah ku polah sorangan sabenerna mah. Ka mana-mana jadi kagok, serba sieun aya nu nagih, oge sieun dipermasalahkeun di hadapan hukum. Mantakna, mun bisa mah ngahutang saperluna jeung sakadugana, ulah ngaleuwihan tangan pangawasa. Kudu na mah leuwih ngati sakumaha gedena kabutuhan jeung sakumaha mampuna mayaran hutang. Jadi, yuk pikir deui masing asak lamun rek ngahutang teh, ulah kagiur ku gede nominalna barijeung hese kana mayarna! Pikiran deui masing asak.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6273", "text": "Biasana mun ngingu unggas mah sok rada jorok dina miceun taina. Tah ieu tilu jenis unggas nu biasana jorok miceun taina di mana wae. Nu kahiji nyaeta hayam kampung. Tah biasana hayam kampung mah sok miceun di mana wae, teu apal na buruan atawa na tehel imah. Sok bau pisan kaambeu na teh, komo mun di hareupeun imah pisan mah. Nu kadua nyaeta entog. Entog mah sangkilang dikandangan ge sok bau tai entog na teh ngahiliwir pisan kaluar. Malahan mah sok nepi ka buyatak jeung kumuh lingkungan kandang na teh. Nu katilu nyaeta bebek. Masing bebek sok diangon di sawah ge angger ai miceun tai na mah di mana wae, sakaliwatan ku manehna. Bau na teh bau pisan, teu katulungan komo mun usum hujan mah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2564", "text": "Pasti seueur pisan anu muncul nalika anjeun mimiti pendak sareng anu énggal saatos anjeun ditipu. Ngan nyaho yén éta oke. \"Salah sahiji hal anu paling penting nyaéta validasi émosi duka sareng kasieun anjeun,\" saur ahli terapi nikah sareng kulawarga anu dilisensikeun Shane Birkel, sapertos dikutip tina halaman Mind Body Green. \"Nalika anjeun ditipu, éta mangrupikeun panghianatan sareng trauma anu serius. Teu aya anu lepat sareng anjeun upami anjeun ngarasa hanjelu sareng kabeuratan.\"\nKalayan éta dina pikiran, éta ogé penting pikeun mikawanoh perasaan éra sabudeureun selingkuh, nurutkeun therapist hubungan Ken Page. Pikiran kawas, \"Kuring teu cukup pikaresepeun,\" atawa \"Naha pasangan panungtungan abdi hoyong batur?\" bisa timbul, mun anjeun nyoba ngalepatkeun diri pikeun pilihan goréng pasangan Anjeun. Éta peryogi seueur perawatan sareng dukungan anu lembut.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "295", "text": "Ceuk John Wirowsky ti Unviersity og Texas, usia ideal jang boga anak teh nyaeta umur 26 taun. Pas umur eta sistem reproduksi jeung sistem kekebalan keur aya dibatas maksimalna. Lamun awewe di usia 26 taun leutik kamungkinan boga panyakit nu ngabahayakeun, jeung boga tingkat kaguguran anu rendah. Sedengkeun usia 34 taun dianggap batas maksimal usia ideal jang boga anak. Ngaliwatan ti usia 34 taun bakal loba resiko nu disanghareupan. Mimitina ti kasehatan, kondisi fisik jeung psikologis, jeung kamungkinan komplikasi pas kahamilan nepi kana rentang usia nu cukup jauh jeung anak, jadi pas ngurus jeung ngagedekeun anak boga risiko anak kurang optimal.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "650", "text": "Geus tilu taun urang pindah sakolaan, sabab masantren jadi sakola oge kapaksa kudu pindah. Tapi pas sakola geus beres urang balik deui ka kampung. Urang ngomong dina hate, sigana bakal moal panggih deui jeung babaturan, mun panggih oge naha maranehna masih inget ka urang kitu? Sabab urang ngarasa di sakolaan teh teu populer, anu populer mah biasana anak nu pinter atawa anak nu bangor, sedengkeun urang mah biasa-biasa wae. Tapi hiji waktu pas urang keur leumpang, jol aya nu nyauran, dho dho dho. Ngaran urang disebut nepikeun ka tilu kali, urang ngaleret ka tukang, geuningan babaturan urang pas keur SD, babaturan sabangku, teu nyangka bisa panggih di jalan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7820", "text": "Abdi diajakan ku rerencangan kanggo nyobian seafood anu dibahekeun dina meja. Ceunah mah tempat ieu teh karek muka jeung rame pisan didatangan ku artis. Mumpung geus aya cabang anyar di caket imah kuring, abdi langsung datang ka dinya sareng rerencangan. Harga hiji porsina teh saratus rebu, eta teh geus kaasup sangu jeung tiasa diemam kanggo opatan. Pas tos ngantosan, eta seafood diawurkeun dina meja, abdi langsung nyobian. Pas abdi ngadahar keuyeup, langsung kaambeu bau hanyir, lantaran teu kiat abdi langsung ka kamar cai kanggo ngutahkeun deui daging keuyeupna. Abdi langsung ereun dahar seafood eta lantaran masih keneh seueul tina hanyir keuyeup.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7561", "text": "Meuntas di jalan badag janten perkara anu hese kanggo sababaraha jalmi. Komo di Indonesia mah seeur pisan kendaraan motorna tibatan jalmi anu mapahna. Ditambih deui teu seeur jembatan kanggo meuntas janten rawan pisan kacilakaan anu dialaman ku nu meuntas. Pas abdi nuju di angkot, abdi ningal aya ibu-ibu anu bade meuntas tapi ragu-ragu, janten anjeunna kalahkah meuntas ngadadak jeung pas pisan aya motor nu ngaliwat, janten anjeunna katabrak ku motor. Ibu-ibu eta langsung labuh di tengah jalan. Manehna langsung ceurik. Abdi oge reuwas ningalna, untungna motor eta teu langsung lumpat tapi langsung nulungan ibuna sabari nelepon ambulan kanggo ibu eta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "363", "text": "Basa umur 8 taunan urang boga panyakit herpes, harita mah panyakitna teh aya dina tonggong. Bentukna teh siga panon lauk kitu, laleutik aya totol-totolan di tonggong teh. Nu karasa teh arateul pisan, hayang ngagaro. Sabab keur leutik mah resep ulin, siga maen kaleci jeung maen gambar, urang sok ngahaja teu dibaju ngarah si herpesna teu ka gesek-gesek ku baju. Tapi samemeh kaluar ti imah, sok diubaran heula ku Indung make salisir talk. Ari harita mah teu era sanajan ditinggali ku batur ge, malah mah sok di toelan da panasaran ceunah. Tapi lila kalilaan beuki kempes panyakitna teh, tuluy beuki lila jol ngaleungit sorangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2145", "text": "Waktu harita kuring keur buka organisasi, ujug-ujug di telepon kuring dititah balik ka imah mantuan mantuan di imah adina almarhum nini kuring. Si nini nyuhunkeun dihapunten kana profesi dukun di kampung, tapi doana sae, teu terang kumaha itunganna, mung Alloh nu uninga. Alfatihah kanggo nini. Abdi sering ngudag bapa nalika aya pasea, kuring ceurik teras kabur ka bumi nini sareng ngarasa aman nalika kuring ngagaduhan panyalindungan. Bapa mah resep saeutik teuas, teu saeutik bener teuas. Pernah dialungkeun ku sapatu laras panjang haha, dicekel nepi ka ngambang, tapi ku sabab bodo kuring teu nahan dendam sanajan dianggap lucu. Sanggeus adu bacok, teu kungsi lila bapa nanya hayang dahar naon, nya éta si babeh. Ok deui ka topik. Teu reuwas kuring ngadéngé adi nini geus tilar dunya lantaran geus sababaraha poé ngorok atawa katémbong kritis.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2037", "text": "Keur waktu pilihan kuliah abdi bimbang antara UNS atanapi UGM. Waktu éta, pilihan kahiji mah Abdi Teknik Industri, pilihan kadua Arsiték. Jeung teu disangka-sangka kuring bisa ditarima di Arsitek UGM. Tapi karunya ka kolot kuring, harita kuring geus mayar 2 program studi nya éta D3 Teknik Mesin jeung Sarjana Teknik Mesin. Lamun kuring milih salah sahiji dua jurusan, duit bakal dibalikkeun sabab masih universitas sarua. Tapi mun milih UGM mah, dua-duana bakal disingkirkeun, padahal jumlah duitna teu saetik. Disagigireun ti éta, kuring sieun asup ka UGM, utamana salaku arsitek, sabab kuring teu bisa ngagambar jeung sieun ngarasa teu pede nalika kuliah di UGM. Hasilna, kuring milih UNS salaku tempatna. Mugia tiasa nungtut pendidikan maksimal salami 4 taun kaharep.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3265", "text": "Salami damel abdi salaku dokter, kuring mendakan seueur bau anu teu pikaresepeun.\nBau anu disababkeun ku tatu diabetik (gas gangren), bau mayit manusa anu buruk atanapi busuk di walungan tujuh poe, bau getih, bau pasén diare parna, bau cairan ketuban, bau awak pasien anu henteu. dimandian sapoe-poe, jeung loba deui bau-bauan anu lainna, anu karandapan ku dokter sapopoe. Tapi, bau anu teu tahan nyaéta bau utah pasien. Sumuhun, ambeu asam lambung pisan pikaresepeun pikeun kuring, sarta kuring ogé bisa utah lamun ningali sabar utah di hareup kuring, geus mah bau nanas jeung amis darah pasaringset ngahiji jeung bau-bau nu teu mereunah sejennna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7343", "text": "Abdi keheul pisan ka salah sahiji sopir angkot nu aya di Bandung. Pas abdi bade angkat ka Dago, abdi naek damri anu pangheulana datang ka pangkalan. Pas naek abdi langsung milih hiji tempat anu nyanghareup ka jalan supados teu lieur. Di tengah jalan sopirna kalahkah uugalan. Manehna ngalakson tutuluyan jeung ngarem mendadak. Manehna oge sababaraha kali nyalip mobil anu sanes sabari ngebut, teu apal naon anu diudag ku manehna. Seeur ibu-ibu anu tos ambek. Pas aya nu bade turun oge si sopir na kalahkah ereun di tengah jalan. Jadi we seeur mobil jeung motor anu ngaalakson. Tungtungna mah sabari mabek urang sadaya turun sasarengan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2944", "text": "Menurut Joni Pagenkemper, kepala penanganan penyakit diabetes di Nebraska Medicine, ada 22% orang di dunia yang takut dengan suntikan alias jarum suntik. Padahal, ada beberapa kondisi yang mengharuskan seseorang untuk disuntik oleh dokter, misalnya saja suntik untuk pemberian vaksin atau bahkan suntik insulin sendiri di rumah untuk orang diabetes.\n\nOrang yang takut dengan suntikan, sering juga disebut sebagai fobia jarum suntik. Padahal keduanya adalah kondisi yang berbeda. Fobia jarum suntik berbeda dengan ketakutan pada jarum suntik biasa. Fobia jarum suntik atau disebut juga trypanophobia adalah kondisi ketika seseorang mau disuntik, ia akan mengeluarkan reaksi, seperti mengalami tekanan darah tinggi dan denyut jantung yang meningkat. Ini bahkan bisa terjadi sehari sebelum atau beberapa jam sebelum disuntik. Parahnya, orang yang fobia jarum suntik bisa saja sampai pingsan saat akan disuntik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2991", "text": "Ieu cara anu leres upami anjeun dituturkeun ku jalma anu teu dikenal: 1. Waspada kana lingkungan anjeun\nNengetan unggal jéntré, kaasup ngaran jalan, nomer imah, wangunan, toko jeung kafe di sakurilingna. Nyaho lokasi pasti anjeun bakal ngabantosan anjeun kéngingkeun bantosan anu anjeun peryogikeun. Hindarkeun jalan-jalan anu heureut, remang-remang, sapertos gang sareng koridor, dimana ngan ukur aya hiji atanapi dua jalan kaluar.\n2. Nelepon pikeun pitulung\nAnggo telepon sélulér anjeun pikeun nelepon babaturan atanapi anggota kulawarga anu caket dieu. Ngabejaan aranjeunna lokasi anjeun sarta ménta aranjeunna pikeun nyokot anjeun nepi. Éta hadé pikeun ngatur pasamoan di tempat umum, kayaning warung atawa warung. Upami anjeun teu gaduh telepon anjeun atanapi telepon anjeun pareum, angkat ka mana waé, béwarakeun yén anjeun nuju dituturkeun, teras naroskeun pikeun nganggo teleponna.\n3. Ka tempat ramé\nLeuwih gampang pikeun leungit pursuers dina riungan sarta aranjeunna condong jadi leuwih hesitant nyieun move di hareup batur. Upami anjeun saacanna leumpang jauh ti jalan utama anu sibuk, polah saolah-olah anjeun ujug-ujug hilap hiji hal: pariksa kantong anjeun sareng robih arah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5709", "text": "Geus salila genep bulan ijazah abdi acan tiasa keneh dicandak sabab bermasalah. Abdi saberes lulus kuliah teh janten susah ngalamar kaditu-kadieu. Bade daftar CPNS teu tiasa, daftar PPG teu tiasa, jeung sababaraha perusahaan ge teu tiasa da kudu aya ijazah aslina. Abdi meuni kesel pisan sabab unggal naroskeun ijazah ka rektorat teh jawabanna teu puguh wae. Dipenta solusi, kalah titah sabar wae. Da teu bisa kitu atuh, jadi ngahambat karir pisan. Ai predikat we kampus ternama jeung terakreditasi A, tapi proses ijazah wae ge meuni lila teu bisa diusahakeun pisan. Abdi keuhel pisan sabab hayang daftar pendidikan s2, kudu ngalampirkeun fotocopy ijazah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4306", "text": "Ngajaga kasehatan mangrupakeun hal anu kacida pentingna. Ceuk papatah oge sehat itu mahal, mahal teu ngan dina hartian saukur duit tapi oge aya usaha jeung waktu na. Lamun geus gering mah da hese moal bisa hirup bebas, teu ngeunaheun jeung moal bisa nanaon teu bisa kamana mana. Ulah nepi ka urang kari bisa nyesel hungkul lamun geus kajadian. Reuwas hese tarima lamun geus gering ngan bisa ceurik jeung ambek ambekan moal bisa ngabalikeun kasehatan. Matakna mumpung urang di bere kasehatan keneh ku gusti Allah urang kudu pinter pinter ngajaga na ameh bisa panjang umur jeung bisa ngalakukeun naon wae anu jadi mimpi jeung cita cita urang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5249", "text": "Trauma kana hobi teh mangrupakeun salah sahiji hal nu bisa dicageurkeun ku cara dibiasakeun. Misalna mun gaduh hobi sasapedahan, terus pernah labuh dugi ka trauma alim sasapedahan deui, eta teh tiasa ditreatmen ku pribadi sorangan di imah. Carana nyaeta ku kabiasaan. Ulah nepi ka eta hobi atawa bakat diri teh ngaleungit, ku kituna biasakeun deui make sapedah. Lalaunan, leukeunan unggal poena. Diiasakeunna oge kudu bertahap, teu bisa ku sabulan dua bulan, kudu makan waktu nu lumayan lila. Komo ngaleungitkeun ingetan na mah kudu bari jeung gaul sosialisasi jeung batur. Tapi mun geus meunang ngalawan rasa trauma eta, rarasaan diri teh bakal leuwih ningkat percaya dirina, saba ngarasa bisa naklukeun rintangan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7322", "text": "Di daerah imah abdi ngan aya hiji ATM, janten lamun tos waktosna gajian pasti pinuh pisan ku ibu-ibu anu ngantri di dinya. Abdi biasana nyandak peuting-peuting, tapi lantaran nuju butuh kanggo siang ieu, abdi datang isuk-isuk ka ATM. Dugi ka ATM, abdi langsung baris pang tukangna. Teu lila aya deui jalmi anu datang, beuki seeur. Pas nuju ngaluarkeun dompet tina tas, aya hiji duit receh anu murag ka jalan. Abdi langsung nyandak sabari rada kaluar ti barisan lantaran eta duitna ngagorolong rada jauh. Pas abdi balik deui, jalmi anu tadina nangtung di tukangeun kuring jol nyokot tempat kuring. Abdi langsung beja ka manehna yen abdi kedahna di dinya. Manehna oge ningal pas abdi nuju nyandak duit anu labuh. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5985", "text": "Di Kabupaten Tasikmalaya mah nembe kamari pisan aya berita balita nu maot dina sumur imahna. Jadi, balita eta teh keur diasuh ku indungna. Bari ngasuh, indungna teh bari beberes pagawean imah. Tah si budakna teh emang teu daek cicing, umur tilu taunan. Pas indungna geus beres, si budak na teh euweuh. Diteteangan ka imah babaturan jeung sakuriling imahna teh euweuh. Geus lila, karek kapikiran boa tigejebur kana sumur sabab teu ditutupan. Pas ditoong teh bener weh budakna geus ngambang dina sumur timba di tukangeun imahna. Indungna kaduhungeun pisan jeung ngarasa sedih kaliwatan sabab kaleungitan budak nu keur kembang buruan lulucuna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5145", "text": "Unggal akhir taun, Yogya HZ teh sok ngayakeun dorprise rupa-rupa produk. Ti mimiti pakean, sapeda, sapatu, dugi ka motor oge aya. Tah mun hoyong kenging kupon teh kedah balanja heula minimal saratus rebu. Terus kenging kupon nu kudu dieusian data diri. Geus kitu, kupon eta diasupkeun kana kotak. Mun pengundian na mah ku pagawena sorangan, ngan ke nu meunang bakal dihubungi ku Yogya Group. Kabeneran harita abdi iseng miluan dorprise eta. Selang dua minggu aya nu ngahubungi dina whatsapp yen abdi kenging undian sapeda. Tos dilampirkeun jadwal pengambilanna ge. Atuh abdi teh atoh kacida, asa ngimpi di siang bolong. Abdi teh isukan na langsung we nyampeurkeun bari mawa persyaratan data diri, enya weh leres abdi nu kengingna. Nuhun Gusti abdi meuni bungah kacida, saumur hirup tiasa ngasaan meunang undian.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7317", "text": "Di lapangan desa nuju aya nu ngabagi-bagikeun bantosan ti pamarentah lantaran kondisi pandemi ngajadikeun seeur jalmi anu teu angkat ka tempat damel jeung seeur warung anu tarutup. Supados leuwih rata pambageanna sadayana dititah baris heula. Barisan basa pandemi mah benten sareng biasana, para jalmi anu ngantre kedah ngaja jarak minimal hiji meter, janten antreanna teh panjang pisan. Di tengah-tengah barisa anu rapi eta aya hiji lalaki datang ka tengah barisan, manehna kalahkah cicing di tengah dua jalmi anu ngajaga jarak, manehna tos diingetan kanggo baris di paling tukang tapi manehna kalahkah ambek, hal eta ngajadikeun suasana janten panas, aya hiji lalaki anu sanes anu ngajak gelut lalaki tadi sabari nyekek bajuna sabari digorowokan dina ceulina lantaran manehna teu daek baris. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5674", "text": "Tos salila dua taun abdi latihan arung jeram kangge persiapan kejuaraan Porprov. Unggal poe abdi latihan samaksimal mungkin supaya bisa nunjukeun peningkatan dina kamampuan abdi. Unggal tes fisik bulanan abdi sok kenging top score ti pelatih sabab nunjukeun peningkatan jeung paling tahan dina segi kakuatan fisik. Pas hari H Porprov, abdi tos nyiapkeun sagalana samaksimal mungkin, persiapan tanding dugi ka persiapan mental. Pas bade registrasi, jol we abdi digentos ku anak pengurus nu tara latihan pisan. Abdi meuni jengkel pisan sabab diperlakukeun teu adil ku pelatih jeung pengurus sorangan. Abdi ngarasa kesel pisan sabab euweuh alesan nu pasti naha abdi diganti.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8441", "text": "Seueul raket patalina jeung faktor psikologis. Nalika aya hiji hal anu karasaeun teu pikaresepeun, sapertos ningali anu pikaresepeun atanapi nyeuseup bau anu pikaresepeun sapertos bau hanyir, sistem saraf simpatik bakal dianggo langkung dominan, sahingga ningkatkeun produksi asam lambung, teras timbul rasa seueul. Sangkan seueul suda, urang tiasa ngalakukeun sababaraha hal. Kahiji, kompresi haneut dina beuteung seueul. Kadua, pikir positif, kaasup lamun ningali hal geuleuh atawa bau aroma nu teu resep. Katilu, ngaganggu diri anjeun ku ningali atanapi ngambeu anu sanes nalika aya anu henteu cocog pikeun anjeun. Kaopat, ulah nginum obat naon wae, kalebet obat anti seueul, tanpa nasehat dokter.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2999", "text": "Dina umur 5 taun kuring ningali rupa-rupa wujud mahluk gaib leumpang di hareupeun imah, dina umur 5 taun nalika nini kuring nyoco kuring, aya 2 bola ragrag ti luhur ka handap dina jalan hareupeun imah nu warna biru. jeung beureum, tuluy 2 bola eta jadi bangkong beureum biru/kodok saukuran bola sepak, kuring oge kungsi ngomong ka nini kuring, tapi manehna teu ningali naon anu kuring nempo, bari kuring keur sare, kuring ngarasa kuring. ieu ningali 3 mahluk gaib tapi ku panon kuring ditutup, ieu 3 mahluk nyaeta pocong, mbak Kunti jeung mbah wowo, sajauh kuring inget jeung naon anu kuring ngarasa aranjeunna niat ngaganggu kuring bari saré, nyaéta ku ngalayang jeung ngoyagkeun ranjang kuring nepi ka tilu. di antarana ngagorowok \"Abdi kalaaaaah\", malah ieu mimitina kuring nah eta alesan kenapa urang sieun sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2507", "text": "Rindu ka orok memang matak pikabitaeun. Nalika dititipkeun pikeun nyandung, Ibu pasti ngarasa seueur hal anu dicampurkeun. Anjeun tiasa ngarasa bagja sareng hariwang dina waktos anu sami nalika ngalangkungan prosés kakandungan.Hal ieu ogé karasa ku indung nu ngaranna Putri Maziyah. Tapi, bédana nyaéta Ibu Putri lain ngan ukur dikaruniai hiji, tapi tilu orok! Indung Putri ogé ngébréhkeun rasana nalika nyaho manéhna hamil 3 kembar ngaliwatan akun TikTokna, @putrimaziyah.Indung Putri nga-upload carita kakandunganana. Manéhna dipercaya keur kakandungan jeung tilu budakna, dina unggahan Indung Putri nulis yén mimitina manéhna ngarasa reuwas, bingung jeung sieun. komo deui langsung tilu dinu sakali hamil teh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6397", "text": "Mun beres olahraga teh alusna mah langsung beberesih awak supaya teu bau kesang, komo mun rek amprok jeung batur mah. Ulah nepi ka beres olahraga teh tuluy we jalan ka mamana tapi teu ganti baju, karunya batur bakal baueun mun deukeut jeung urang. Mending amun wanieun ngomong, mun teu wanieun ngomong mah kan karunya. Jeung deuih mun teu langsung beberesih mah sok kareunang teu pararuguh kana awakna oge, sok malahan mah aya cenangan. Mantakna, mun beres olahraga teh minimal ganti baju, saena mah langsung mandi abeh seger. Ulah nepi ka batur baueun ku kajorokan urang. Yuk leuwih berseka deui supaya awakna teu bau!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5919", "text": "Salah sahiji cara nu jitu dina ngahadapi demam panggung nyaeta ku lobakeun nginum cai herang. Loba nginum cai herang teh bakal alus jang kasehatan otak, jadi kontentrasi jeung fokusna bakal kajaga. Mun geus fokus mah kan sok babari kana nenangkeun pikiran, jeung moal panik. Sabab biasana demam panggung teh hadir sabab ayana rasa panik dina diri sorangan. Tah hal ieu teh bisa ditangani ku cara lobakeun nginum cai herang. Usahakeun oge supaya bisa fokus dina sagala kondisi, jeung teu gampang kadistraksi ku hal-hal nu teu perlu. Nginum cai herang oge bakal nyaimbangkeun cairan dina jero tubuh, jadi moal bakal babari leuleus, komo mun kaserang demam panggung mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4447", "text": "Jaman ayeuna teh mangkin rame wae budaya anu goreng warisan ti jaman baheula nyaeta KKN anu kapanjangan ti Korupsi, Kolusi jeung Nepotisme. Hal ieu teh berdampak pisan kana dunya komo dunya pagawean. Jaman ayeuna urang mangkin hese neangan pagawean lamun eweuh orang dalam, orang dalem teh nyaeta anu ngasupkeun na, ieu teh ka asup kana KKN nyaeta nepotisme, pernah aya carita yen aya budaka nu hese pisan neangan pagawean sorangan salila lila di tolak wae, tuluy akhirna aya anu manggil wawancara tuluy di tarima di hiji pesusahaan. Di perusahaan eta budak teh gawe na bener jeung betah kusabab babaturan na baguer. Tapi keur ngeunah ngeunah na di gawe anu di teangan na meunang hese ujug uug di ereun keun, giliran di tanya ceunah soalna aya budak ti dulur si bos na anu erek asup ngagantikeun posisi manehna. Eta teh sarua jeung ngarebut pagawean batur, budak ieu geus emosi ngambek tap nya teu bisa nanaon.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2485", "text": "Waktu harita kuring keur dahar di kafé nu sok ramé ku nu datang. Bareng jeung adina mah. Kuring mesen dahareun jeung inuman sarta ménta sandi wifi, sanggeus éta kuring fokus kana handphone. . Kuring reuwas, ngan sangka manehna teh asa siga jasa warnet anu hayang wawuh. Manéhna mimiti nyarita, “Teu apal ka kuring? “Nyaan, kuring teu apal saha ieu jelema. \"saha?\" \"rio sobat SD lo ah\" kuring kakara inget saha manehna. Ku refleks kuring laughed sarta pencét anjeunna teuas dina taktak, dulur ieu ningali urang. Beungeutna robih pisan, teu aya anu mirip sareng anjeunna nalika SD. Entah dimana sakolana, anu kuring terang anjeunna teu sakola di Perawang deui. Urang ngobrol didinya jeung kuring dirawat ku manéhna. Saha anu henteu hoyong tuang gratis?", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9573", "text": "Xena sedih nalika ngadenge beja yen kolotna bakal cerai. Tileuleutik, Xena ngarasa yen kulawargana teh kulawarga anu bagja tur kuat. Tapi, ayeuna ngan ukur angan-angan. Xena henteu nyangka yen kolotna bakal papisah saatos babarengan salami mangtaun-taun. Xena ngarasa bingung teu nyaho kudu kumaha. Manehna ngarasa dunyana ambruk jeung runtuh. Xena henteu terang kedah ka saha ngungkabkeun parasaanna, sareng anjeunna ngarasa saolah-olah teu aya anu tiasa ngartos perasaanana. Xena ngarasa saolah-olah kaleungitan hiji hal anu berharga. Manehna ngarasa saolah-olah geus leungit kulawarga nu dipikacinta. Xena ngarasa saolah-olah teu boga deui tempat pikeun mulang. Manehna ngarasa saolah-olah geus teu boga deui kulawarga anu bisa ngabageakeun manehna jeung mikanyaah dina sapopoena.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2187", "text": "Dinten baheula kuring geus nguciwakeun batur, jalma anu malah nganggap kuring salaku anak sorangan. Kacaritakeun kuring rek nyewa kontrakan jeung anakna anu oge babaturan kuring, tapi entah kenapa asa hirup di kampus kuring jadi depresi, pusing ku tugas kuliah pusing ku lobana masalah di organisasi nu karek didatanagan jeung pusing ker kahirupan engke, ahirna kuring meuli alkohol terus diinum hareupeun imah kontrakan.ku sabab teu hayang anakna ruksak, manehna mere kode sangkan kuring bisa nyewa di tempat sejen. Enya, teu aya nu bisa kuring laksanakeun iwal ti nyuhunkeun dihampura, da rumasa kuring teh bodo. Sareng urang heuteu terang naon anu kedah dilakukeun ...", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6278", "text": "Di tempat pemotongan hayam mah geuningan sok loba laleur baradag jeung loba kaambeu bau hanyir. Pengelolaan tempatna teh serba becek da ngabutuhkeun loba cai jang meresihan hayamna. Kenca katuhu teh loba hayam hirup nu siap dipilih jang dipotong. Mun aya hayam nu kapake teh tuluy dipencit, terus diasupkeun kana mesin bubut hayam. Eta barang hayam dipeuncit teh getihna tuluy kaambeu pisan bau hanyir da puguheun hayam na ngora keneh. Tuluy jeroan nana teh diberesihan. Ususna diturih make awi jang diberesihkeun kokotorna. Atina oge sarua, dibeulah burihna supaya dileungitkeun kantong parabna. Pas proses ieu teh bau hanyir na kaambeu ka mana-mana da puguheun tempatna kitu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "788", "text": "Lamun karya urang dicokot ku batur, utamana teu menta izin heula atawa teu mere sumber anu kuduna diterapkeun, pastina nyieun urang kesel jeung ambeuk. Urang oge kudu bertindak dina nyanghareupan situasi kieu. Alusna mah urang kudu boga catetan, catetan ieu penting jang nyatet tiap tindakan nu rek dicokot, siga catetan panggilan, email, atawa surat nu dikirim, jadina urang mibogaan dokumentasi nu kuat mun dibutuhkeun kahareupna. Urang oge kudu ngahindar tina reaksi nu emosional. Sanajan urang ambeuk sabab dicokot karyana, tapi penting oge jang tetep tenang jeung henteu nyerang sacara pribadi. Urang kodo boga sikap nu profesional jeung ngomong sacara jelas jeung sopan ngameh bisa tetep ngajaga reputasi jeung citra urang sorangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6847", "text": "Bakating ku seringna abdi ulin sosmed tos teu kaetang sabaraha seeur na giveaway anu tos abdi cobian. Mulai ti giveaway receh, nepikeun giveaway anu hadiah na hape oge tos pernah dicobian. Tapi di sakabeh giveaway anu tos dicobian salila ieu abdi teu acan pernah meunang hiji hiji acan. Pernah abdi mikir kanggo ereun giveaway lantaran ku era, sok miluan wae tapi teu aya hasil na. Abdi mutuskeun giveaway ieu janten anu terakhir kali na. Teu disangka-sangka giveaway anu tadina bade janten anu terakhir kali teh justru janten pertama kali na abdi meunang giveaway. Alhamdulillah kieu gening rasana meunang giveaway teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8472", "text": "Ti sudut pandang emosi, tetempoan dahareun kotor biasana bisa ngabalukarkeun hiji sensasi pikaresepeun tur nyieun jalma ngarasa teu nyaman Ieu tiasa ngirangan minat tuangeun tuangeun ieu sareng ngajantenkeun aranjeunna langkung ati-ati ngeunaan kualitas tuangeun anu dikonsumsi. Ditilik tina segi moral, ningali kadaharan anu kotor bisa nimbulkeun rasa keuheul jeung keuheul, sabab kadaharan anu kotor biasana teu aman didahar sarta bisa ngabahayakeun kasehatan pikeun anu ngadaharna. Ku alatan eta, penting pikeun mastikeun yen kadaharan anu urang tuang bersih sareng higienis. Sacara intelek, tetempoan dahareun kotor bisa memicu sensasi teu pikaresepeun atawa teu nyaman pikeun sababaraha urang. Ieu alatan dahar kadaharan kotor bisa ngakibatkeun resiko kasehatan sarta ngabahayakeun pikeun kasehatan. Ku alatan eta, penting pisan pikeun mastikeun yen kadaharan anu dikonsumsi salawasna beresih sareng bebas tina bahan anu ngabahayakeun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5527", "text": "Pas poe ulang taun mamah, abdi jeung raka papatungan jang meserkeun hadiah nu dipikahoyong ku mamah. Abdi inisiatif bade mangmeserkeun hape sabab mamah masih keneh nganggo hape nu jadul. Abdi jeung pun raka meserkeun hape samsung A20 nu warna na hideung. Hape ieu teh sae pisan, cocok jang mamah sapopoe mah. RAM na 4 gb, penyipanan internal na 64 gb. Kamerana oge tos dilengkepan ku fitur AI 48 megapixel. Layarna oge IPS nu lega pisan, meujeuhna jang nonton mah. Chargerna oge tos type C, jadi moal lila mun ngeusi daya teh. Abdi jeung raka masihkeun na pas mamah beres sholat maghrib. Kacida reuwaseun nana mamah dipasihan hape saalus kieu, bari atoh teh mamah langsung cirembay saking ku atohna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "616", "text": "Di akhir taun biasana sok aya nukeurkeun poin Telkomsel. Boh eta ditukeurkeun kanu motor, mobil, smartphone, jeung sajabana. Ari urang mah euweuh pikiran bakal meunang harita teh, jadi weh nukeurkeun heula, lantaran lebar mun teu ditukeurkeun mah engkena hangus. Urang nukeurkeun teh kanu mangrupa-rupa hadiah, jadi poinna ku urang bagi-bagi rata. Sanggeus nukeurkeun jeung meakeun poin, urang kari nungguan saminggu bewara meunang henteuna. Sabab sainganna geus pasti loba jadi teu ngarep-ngarep. Tapi saminggu tidinya urang dibere email ti pihak nu ngayakeun hadiahna, urang meunang smartphone Samsung. Urang reuwas sakaligus teu nyangka keneh, matak rada ngahuleng. Tidinya ku urang diwaler tah email eta jeung ngirim alamat urang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8480", "text": "Rarasaan sawaktos teu kahaja dahar kadaharan kotor teh tiasa pisan nyieun teu nyaman tur teu pikaresepeun. Sababaraha ti urang bisa ngarasa seueul atawa utah, sedengkeun nu sejenna bisa ngarasa boga burih kesel atawa muriang. Dahar kadaharan kotor bisa mangaruhan kasehatan anjeun sarta ngabalukarkeun infeksi dahareun, kayaning karacunan pangan. Ku kituna, penting pisan pikeun mastikeun yen kadaharan anu dikonsumsi teh salawasna beresih jeung aman pikeun kasehatan. Upami anjeun ngahaja tuang tuangeun anu kotor, geura-giru nginum seueur cai sareng bersihkeun sungut sareng panangan anjeun. Lamun ngarasa gering atawa teu damang sanggeus dahar kadaharan kotor, geuwat buka dokter pikeun mastikeun kaayaan kasehatan anjeun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1074", "text": "Pernah pas keur maen bola di gang gigireun imah pisan, aya space nu lumayan jang maen bola tetembakan mah. Tapi ku bakat hiji imah jeung nu sejenna teh padedet, jadina ieu bola sieun ngunaan ka imah batur. Bener weh nu dipikasieun teh geuningan kajadian, teu kahaja lampu luar milik tatangga teh ku urang ka tembak ku bola nepikeun ka lampunya peupeus. Urang jeung si Robi teh awalna pura-pura rek akting jadi ngabejaan tatangga mun lampuna peupeus tapi teuing ku saha. Pas diomongkeun kitu ka tatangga teh geuningan manehna apaleun, ku bakat sieun dicarekan urang nepikeun ka menta hampura sabari sujud. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8987", "text": "Kajadian ieu kaalaman ku babaturan anak kuring basa keur hiking di salah sahiji leuweung nu aya diwewengkon Maribaya. Di wewengkon eta masih loba hewan liar nu hirup bebas, diantarana nyaeta monyet. Kacaritakeun, babaturan anak kuring keur jongjon leumpang gigireun anak kuring. Ari leungeuna nyenyekel roti sesa sarapan basa pas isuk-isuk, can kaburu diasupkeun deui kana kantong. Teu kanyahoan ti mana hol na, ujug-ujug aya monyet nu ukuranna rada sedeng ngagabrug kana taktak babaturan anak kuring. Atuh puguh manehna ngajerit satarikna awahing ku kaget jeung sieun. Anak kuring ningali kitu, sarua ngarasa sieun. Manehna ukur ngajerit mere beja ka babaturanna supaya roti nu keur dicekelna buru-buru dipiceun. Untung na babaturan anak kuring nurut. Ku manehna roti buru-buru dipiceun. Atuh belewer we roti teh dialungkeun sajauhna. Teu nyalahan deui, monyet turun tina taktak babaturan kuring, muru kana roti nu dialungkeun. Ahirna mah babaturan anak kuring salamet tina udagan monyet. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1427", "text": "Poe ieu teh urang pesen dahareun di Gofood, tah pas si emangna nepi urang teu ngadenge nepikeun ka sababaraha kali emangna nyauran bari nelepon kakara urang sadar si emangna geus nepi hareupeun imah. Urang langsung buru-buru lumpat turun tangga gara-gara teu ngeunah ka si emangna. Pas geus nepi panto rek ka pager, urang lumpat tuluy calana jero urang morosot. Urang yakin si emangna ninggali, soalna calana jero urang leuwih turun tibatan calana pendek urang. Didinya urang era pisan, tuluy buru-buru deui asup ka jero saking ku erana bari nutupan beungeut ngabayangkeun kumaha reaksi si emangna. Saprak tidinya mun mesen deui Gofood sok make calana panjang jeung tara gura-giru lumpat.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3284", "text": "Kabersihan aya hubunganana sareng bobo. Alesanna, kamar tidur anu kotor sareng pabalatak tiasa nyababkeun setrés sareng sababaraha masalah bobo. Mayoritas responden survéy, kaasup ngeunaan 80 persén jalma beresih jeung ngan leuwih satengah jalma pabalatak, ceuk maranéhna ngarasa hariwang lamun imah éta pabalatak. \"Kamar anu bersih nyarioskeun ka pikiran urang yén éta teu aya anu hariwang sareng ku kituna tiasa ngantunkeun sare anu tenang,\" saur Christine Lawler, ahli bobo di The Peaceful Sleeper. Kabersihan aya hubunganana sareng bobo. Alesanna, kamar tidur anu kotor sareng pabalatak tiasa nyababkeun setrés sareng sababaraha masalah bobo. janten hal nu nyieun risau jeung galau ari ker sare teh bisa hubungan ker manehna ningkatkeun stress.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1130", "text": "Teknik pernapasan bisa jadi salah sahiji cara jang mengatasi serangan panik. Aya sababaraha teknik pernapasan nu bisa mantuan ngurangan gejala serangan panik. Nu kahiji diuk atawa nangtung make posisi tegep, tuluy tarik nafas. Tahan nafas salila 2-3 detik, tuluy hembuskeun sacara perlahan ngaliwatan baham. Nu kadua diuk atawa ngadeg ku posisi tegep, tuluy tutup hiji bolong irung ku ramo jeung tarik nafas ngaliwatan bolong irung nu sejen. Nu tearkhir antepkeun hiji leungeun di dada jeung hiji deui dina beuteung. Tarik napas sacara lalaunan ngaliwatan irung, jeung antepkeun beuteung urang ngabengkak jeung turun pas urang nyokot napas. Tahan napas salila 2-3 detik, tuluy kaluarkeun lalaunan ngaliwatan baham bari ngantepekeun beuteung urang turun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6347", "text": "Ani pernah ngalaman salah asup toilet di masjid basa keur perjalanan ka Jawa Timur. Harita, Ani kabingungan neangan tempat wudhu jeung toilet sabab euweuh petunjuk arahna. Pas nyobian asup ka salah sahiji toilet, singhoreng mah salah. Toilet na teh loba nu bentukna aneh, jiga paranti wastafel tapi lain. Singhoreng mah eta teh paranti papang pameget. Ani neneangan kamar mandina teh euweuh. Ani buru-buru kaluar deui. Untung harita tengah peuting, jadi toiletna sepi, euweuh nu mangnyahoankeun Ani salah asup. Pas kaluar ge buru-buru neangan ka peuntaseun nana sabab meungpeung can aya jelema. Ngan katingali CCTV, Ani jadi era pisan sabab salah asup.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9554", "text": "Roy ngarasa sedih pisan saprak manehna gagal nikah jeung kakasihna. Saprak poe kawinanu direncanakeun ku duaan anu sakuduna lumangsung, manehna teu bisa eureun ngarasa sedih jeung kacida haneueulna. Manehna ngarasa yen sakabeh dunya geus ngakhianatan dirina, utamana kabogohna anu ujug-ujug nelepon terus ngabatalkeun rencana nikah anu geus dirancang ku duaan tanpa mere katerangan anu jelas. Roy ngarasa yen anjeunna kaleungitan jalma anu paling penting dina hirupna. Manehna ngarasa geus teu boga tujuan deui, jeung poe-poena geus suram jeung euweuh hartina. Manehna teu bisa sare, jeung ngarasa teu aya anu tiasa ngahibur atawa ngagentos hatena anu peurih kacida. Roy ngarasa manehna kaleungitan, jeung teu apal kudu kumaha carana bangkit sangkan bisa nuluykeun hirupna. Manehna ngarasa yen manehna moal bisa jadi senang deui, jeung teu nyaho lamun manehna bakal bisa narima kaputusan anu kacida pait ti kabogohna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2047", "text": "Abdi ayeuna tos lulus kuliah. Tapi abdi hoyong nyarios sakedik ngeunaan pangalaman abdi nalika gabung SBMPTN. Abdi ti kulawarga rata-rata, gap year sataun kusabab teu gaduh artos kanggo daftar kuliah (fyi salami gap year abdi damel di pabrik).Saban dinten saatos damel ti pabrik (masih cape) langsung diajar SBMPTN Samentara éta, lulusan SMA karesep kuring nyokot les jutaan, kuring lulusan SMK, diajar SBMPTN ngan ukur hiji buku latihan, bahan tina hasil browsing, jeung soal buku latihan UN nginjeum ti SMA kuring. babaturan sakola. Abdi henteu cekap artos kanggo mayar SPP anu paling murah waktos éta. Sanaos saleresna kuring pesimis yén kuring bakal lulus, kuring henteu kantos 'ngalambatkeun' ritme diajar kuring. Abdi masih rajin diajar bari damel sareng milarian béasiswa.Alhamdulillah, saatos sagala perjuangan, abdi suksés katampi di salah sahiji PTN pangsaéna di Indonesia.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6268", "text": "Basa peuting kamari, abdi indit sorangan jajan ka pasar malam. Biasana sok indit beres isya, harita mah ngahaja inditna teh rada peuting jam satengah salapan da supaya geus areuweuh nu jajanna. Abdi meser tahu crispy jeung otak-otak anu digoreng kremes. Sapanjang jalan di pasar malam teh loba pisan tai sapi da aya nu beres ngangon ngaliwat. Pas abdi rek meuli pop ice, abdi teu inget yen aya tai sapi di mana-mana. Plek, suku belah kenca abdi nincak tai sapi. Meuni hipu pisan deuih katincakna teh. Untung nincakna ngan saeutik, jadi beunang kana sampean na ge ngan saeutik, lobana mah dina sendal. Abdi seuseurian sorangan, untung peuting geus poek. Mun beurang keneh mah meureun harita teh abdi bakalan era pisan katingali ku batur.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9151", "text": "Perasaan jijik atawa kasieun kana utah umumna dianggap normal. Sanajan kitu, lamun ngalaman jijik jeung kasieun anu kaleuleuwihan, malah nepi ka titik terus mikir ngeunaan eta, urang bisa jadi gaduh emetophobia. Emetophobia mangrupakeun phobia dicirikeun ku sieun kaleuleuwihan ningali utah atawa ningali batur utah. Kanyataanna, ngan pamikiran ngeunaan batur utah ge bisa nyieun manehna kalawan emetophobia atawa hariwang pisan. Salaku tambahan, emetophobia ogé tiasa ngajantenkeun penderitana sieun kaserang panyakit anu nyieun utah. Emetophobia tiasa ngaganggu kagiatan sapopoé penderita. Salaku conto, jalma anu phobia ieu bakal nyingkahan nyetir mobil kusabab sieun mabok di jalan sareng utah. Sajaba ti éta, maranéhna ogé bakal ati-ati dina milih dahareun sangkan teu utah. Malah, teu saeutik jalma anu emetophobia sieun ka kamar mandi kusabab sieun ningali sesa utah batur.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1050", "text": "Nanggap perilaku bully ngagunakeun kekerasan ngan bakal memperburuk situasi jeung ngabahayakeun kasalametan urang sarta batur di sabudureun urang. Kekerasan fisik atawa verbal bakal nguatkeun tindakan bully jeung bakal nyieun beuki tutuluyan. Ku sabab kitu, penting jang neangan cara sejen dina nyanghareupan perilaku bully tanpa ngagunakeun kekerasan. Urang bisa mertahankeun ku cara anu tenang jeung ngajaga emosi. Coba jang nanggap perilaku bully ku cara anu tenang jeung bijaksana. Urang bisa ngungkapkeun perasaan urang jeung ngajelaskeun kumaha tindakan bully eta mangaruhan urang. Ngomong ku sora anu tenang jeung ulah nyerang balik. Ku cara anu bener, tindakan bully bisa ku urang sanghareupan jeung eureunkeun tanpa ngagunakeun kekerasan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7800", "text": "Sugan teh lamun di masjid mah pasti kamar caina beresih lantaran urang muslim mah ngajaga pisan kana kaberesihan sabab mangrupakeun sabagean tina iman. Tapi tetep we eta mah balik deui ka jalmina sorangan. Ai jelemana kotor jeung tara beberesih mah pasti bakal ngotoran tempat nu sanesna oge, kaasup kamar cai masjid. Padahal abdi mineng pisan nyimpang heula ka masjid lamun nuju di jalan. Biasana kamar cai masjid teh sok bau hangseur wae, sanajan geus dibanjur oge wc na tetep we bauna teh nguar pisan nepikeun ka luar kama cai. Sateuacan asup oge geus kaambeu eta hangseur teh. Komo di kamar cai lalaki. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5678", "text": "Di Indonesia mah geus jadi rahasia umum mun aya nu ngalakukeun praktek nepotisme teh. Kateuadilan anu dihajakeun kaayaan nana. Hal ieu teh ngarugikeun sababaraha pihak, ngan nguntungkeun pihak nu berkepentingan hungkul. Misalna mun bapakna pejabat, anak na ge pasti babari neangan gawe, babari asup kuliah di kampus ternama, jeung babari dina uras-urus sagala hal. Beda pisan jeung masyarakat biasa nu kudu usaha ekstra jang ngagapai sagala cita-citana. Hal ieu jelas pisan jadi perbedaan nu kontras. Nu kieu saolah geus jadi budaya di Indonesia sabab aya kauntungannana jeung sabagean pihak. Tanpa disadari, nu kieu teh nu ngacacatan moral jeung aturan di Indonesia.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5264", "text": "Rika gaduh babaturan anu bageur pisan. Unggal aya nu dipikabutuh pasti we dipangneangankeun ku babaturan nana. Mun Rika bade kamana-mana pasti weh di anteur da melangeun. Mun aya tugas kuliah oge pasti we dibantuan jang neangan materi atawa ngerjakeun na. Rika ngarasa beruntung pisan. Hiji poe, Rika keuheul sabab babaturanna teu bisa ngabaturan Rika ka lokasi KKN, tuluy Rika teu nanya atawa teu ngabaran deui ka babaturan na. Babaturanna bingung kudu kumaha, sabab tos menta hampura ge Rika na cuek wae. Akhirna babaturan na nyadar diri terus teu ngagangu deui Rika. Rika ngarasa jengkel ngadangu babaturanna bakalan ngajauh. Rika neangan babaturan na, tapi teu kapanggih. Rika kaduhung pisa geus samena-mena ka babaturan na nu bageur pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2567", "text": "Aranjeunna ngadamel jenis tantangan pikeun Pramuka gagah pikeun luncat ka walungan. Tapi lamun teu datang, teu kunanaon ogé. Abdi henteu ngahaja teuleum kana waktos éta. Salain ti arus deras, caina kacida keruh, beunghar ku susu Milo. Sareng waktos éta kuring henteu saé pisan ngojay. Lamun ngojay dina cai tenang, kawas kolam renang. Teu kungsi mandi di walungan. Kuring ngadeukeutan sisi walungan teras jongkok sareng ningali sababaraha Senior kuring maén di cai. Aduh, bahaya lamun kuring ragrag dina posisi ieu, kuring bisa luncat heula sirah, pikir kuring sorangan. Tapi teu terang naha puguh gentos jabatan mah tos PW, masalahna posisi wenak. Bari ngalalajoan kasenangan, ujug-ujug kabogoh kuring neunggeul sirah kuring ti tukang, sebut wae B. Tadi mah awakna kurus pisan. Pencét ti tukang enya ngambang kuring. Kuring murag tina jangkungna kira-kira 2 méter kalayan sirah handap sarta terjun ka walungan nu boga warna Milo euyeub tapi teu karasa. Kuring titeuleum, tilelep. Jalma panik. Babaturan kuring panik bari ngagorowok. Si B, anu mimiti nabrak sirah kuring, seuri tapi ningali kuring ngajauhan, anjeunna pasti panik ogé.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6836", "text": "Salah sahiji anu hoyong dilakukeun upami abdi gaduh artos seeur nyaeta hoyong ka dokter gigi. Ti leutik keneh sabenerna abdi hoyong ka dokter gigi, tapi bakating ku awis na biaya kanggo ka dokter gigi, boro-boro kanggo ka dokter gigi, kanggo kabutuhan sapopoe oge pas-pasan pisan. Pas kuliah abdi nyimpen artos kanggo ka dokter gigi. Abdi hoyong pisan ngarapikeun huntu anu karehol. Alhamdulillah ayeuna kondisi huntu abdi tos mending, janten abdi langkung percaya diri upami ngobrol dihareupeun seeur jalmi. Abdi teu nyangka kahoyong abdi ti leutik keneh tiasa kawujud pas abdi kuliah ku usaha soranga, teu nyesahkeun ka mamah jeung bapa.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3305", "text": "Kuring mawa ka imah kadaharan anu dibikeun ti pagawean. Salah sahijina nyaéta sayuran asem. Nalika kuring balik ka imah, kuring nempatkeun dahareun dina kulkas. Kulantaran capé, kuring saré nepi ka poé isukna (Saptu). Kuring hudang di soré jeung kalaparan. Abdi tuang tuangeun ti kantor kamari tanpa dipanaskeun heula, kuring lapar pisan.\r\n\r\nTeu lila ti harita, kuring mimiti diare jeung ngarasa burih kembung jeung heartburn kawas borok. Peuting, kuring mimiti ngarasa teu nyaman jeung tungtungna mutuskeun pikeun indit ka UGD pangcaketna.\r\n\r\nDokter di UGD mamatahan kuring pikeun pariksa sadayana, kalebet pamariksaan bangku. Hasilna, kuring didiagnosis disentri sareng disarankan pikeun dirawat di rumah sakit. Kuring reuwas pisan, teu nyangka éta goréng. Abdi henteu hoyong dirawat di rumah sakit, janten kuring rawat jalan sareng diingetan ku dokter supados nginum seueur cai. janiana abdi ayeuna sok geuleuh ka makanan nu aya di kantor.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5550", "text": "Poe ayeuna bakal ngeprank si Andi sabab datangna kabeurangan. Prankna nyaeta ku cara ngajieun Andi hayang balik de ka imah. Mimiti, Andi titah datang heula ka kelas. Geus datang ka kelas, tuluy Bu Guru api-api nyarekan Andi sabab telat. Geus kitu, Andi dihukum titah nyanyi lagu Garuda Pancasila di hareupeun kelas. Mun geus beres tuluy dititah diuk. Tah, babaturan na teh kabeh ngahaja ngantepkeun Andi, teu ngawaro nanaon nu ku Andi ditanyakeun. Beres eta, mun Andi geus ngarasa jengkel jeung kesel nembe weh sadaya nu aya di kelas ngagorowok selamat ka Andi sabab pencapaian manehna dina lomba olahraga tingkat Kabupaten mawa ngaran sakola. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2969", "text": "Singkat carita, kuring balik ti Jepang waktu kuring keur SMA. Taun 2014, Merapi bitu deui. Aya gempa vulkanik ogé. Tapi ayeuna mah imah kuring teu kapangaruhan teuing sabab mun teu salah mah bitu ieu leuwih ka kaler (imah kuring di kiduleun Gunung Merapi). Sahenteuna dumasar kana pangalaman kuring hirup di Jepang jeung Yogyakarta, béda paling keuna patali musibah ieu pisan katempo. Di Jepang, nalika aya musibah, dampakna henteu ageung teuing, teu sapertos anu kajantenan di dieu. Malah hiji gempa leutik bisa ngabalukarkeun dampak pisan masif. Pertanyaanana, naha? Sababaraha waktu ka tukang kuring nembé nyandak kursus psikologi bencana sareng krisis. Tétéla, saleresna aya rumus anu tiasa dianggo pikeun ngaduga dampak bencana ka komunitas anu tangtu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "279", "text": "Jang urang mah guru teh salah sahiji idola jeung panutan, sabab guru nu ngadidik jeung ngajarkeun elmu geus kuduna murid boga sikap ngahormat ka guru sabab peran guru teh sarua jeung kolot di imah. Lamun geus lulus sakola tuluy panggih guru di jalan alusna ngucapkeun salam jeung langsung sasalaman dibarengan ku cium leungeunna. Teu jarang guru poho kana raray muridna, sabab ku lobana murid tangtu hese ngingetan hiji-hiji. Tugas urang jang ngingetan anjeunna, bisa sebutkeun ngaran jeung angkatan leuwih alus hal nu spesifik ngarah guruna langsung apal. Didinya pasti guru oge bakal nanya kumaha kaayaan urang ayeuna. Mun pamitan ulah poho ngucap salam jeung cium tangan deui, komo lamun memungkinkan mah meuli heula sesuatu jang diberekun ka guruna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6960", "text": "Basa SMA abdi milih jurusan IPA, tapi pas bade kuliah abdi mulai milarian jurusan kanggo kuliah. Abdi oge ngobrol sareng sababaraha rerencangan anu bade kuliah oge, tapi abdi malah hoyong milih jurusan IPS di kuliahan engke, beda jauh sareng naon anu kuring pelajari di SMA. Abdi sabenerna kirang yakin bade miluan ujian IPS lantaran abdi teu acan lami diajar materi-materi IPS. Di akhir kelas tilu SMA, abdi mulai nyicil nyobian ngerjakeun soal-soal IPS tapi eta pasti moal cekap komo mun dibandingkeun sareng rerencangan anu tos leuwih lila diajar IPS ti kelas hiji SMA keneh. Taun ieu abdi teu lulus ujian, abdi kedah diajar deui sataun kahareup. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "355", "text": "Di Indonesia oge kacanduan game ku nyokot sampel di sakolaan Manado, Medan, Pontianak, jeung Yogyakarta pas taun 2012. Yen aya 45,3 persen ti 3.264 siswa sakola nu maen game online salila sabulan terakhir jeung euweuh niatan jang ngeureunan. Dina kriteria eta, manggihan 150 siswa (10,2 persen) ti 1477 siswa nu ngalaman adiksi. Tuluy ku analisis statistik meunangkeun 89 (59,3 persen) ti 150 siswa nu ngalaman adiksi eta bisa dikategorikeun ngalaman adiksi anu parah, jeung sesana bisa asup kana kategori adiksi hampang. Ku sabab eta, bisa diperkirakeun jelema nu ngalaman kacanduan game di antara pamaen game nyaeta sakitar 6,1 persen di Indonesia.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2174", "text": "Nalika anjeun ngarasa émosi anu henteu kapungkur, khususna nalika anjeun leutik, aya tip babaraha ti asosiasi psikolog amerika nyaeta , cobian pakait sareng sensasi anu anjeun rasakeun dina waktos éta, naha rasa hariwang ngajantenkeun dada anjeun sesak. atawa aya rasa ambek anu ngajadikeun awak karasa panas? Coba rasakeun sareng ucapkeun ka diri anjeun dina haté anjeun naon anu anjeun karasa. Ku ngakuan sensasi ieu, anjeun bakal langkung gampang ngartos diri sareng awak anjeun. Cinta unggal émosi sareng sensasi anu dirasakeun. Pikeun nyageurkeun tina trauma budak leutik, anjeun kedah tiasa nampi sadayana anu dirasakeun ku awak anjeun. Bejakeun ka diri anjeun yén anjeun resep sareng mikaresep kana émosi ieu. Laksanakeun ieu pikeun unggal émosi anu anjeun raoskeun, contona, \"Kuring bogoh ka diri kuring kusabab parasaan (amarah, sedih, kahariwang, jsb.). Ku asih unggal émosi anu anjeun karasa, anjeun lalaunan bakal nampi yén éta normal. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4038", "text": "Kamari pas poe salasa urang getol belajar, kusabab poe senen rek ujian pendidikan kewarga negaraan. Ujian na mah muka buku, tapi guru ieu mah tara merekeun kisi-kisi jadi weh teu apal bakal kaluar nu mana. Pokona mah urang ngapalkeun ti bab hiji nepika bab lima. Pas ujian kabeh anu ku urang di apalkeun aya, jujur urang bungah pisan jadi teu sia-sia geus giat belajar teh. Padahal urang belajarna peuting samemeh sare, tapi kabeh anu di baca teh aya kabeh. Pas ujian urang tinggal mindah-mindahkeun anu aya di buku, pokona mah ti bab 1 nepika bab 3 jawaban na teh. Urang diuk pang tukangna kusabab babaturan kelas urang mah sok nyolek tonggong urang make pulpen, da hayangeun nariron. Waktuna can angges tapi urang geus angges ti heula, urang geus yakin bakalan meunangkeun nilai alus. Pas geus dua mingguan lewih terus aya jadwalna pelajaran pendidikan kewarga negaraan, akhirna si ibu guru merekeun hasil ujian na. Urang meunangkeun nilai 93, di kelas ngan aya dua nu lulus. Kahiji urang anu nilaina 93 kadua si nanda 85, urang bungah pisan lulus ujianna jadi teu kungsi remedial. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6368", "text": "Basa keur rek nyebrang di jalan, abdi panggih jeung jalma nu make baju na sarua. Baju nu dipake teh kemeja kotak-kotak warna navy plat ungu. Tuluy bawahanna make calana jeans pensil warna hideung. Tiung na oge warnana sarua, make nu segiopat warna ungu muda. Nu beda teh ngan sandalna hungkul. Itu mah make sapatu snikers warna hideung, abdi mah make sandal gunung warna hideung. Sakilas mah tampilanna sarua, postur awakna ge mirip pisan. Hadena teh pasalingsingan keur nyebrang hungkul. Abdi ngarasa isin pisan da sugan teh moal aya nu nyaruaan bajuna. Abdi bari hayang seuri di jalan teh, nya diseungseurikeun deuih ku babaturan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "236", "text": "Cara nukeurkeun undian dina permen Yosan nu paling penting mah geus ngumpukeun kabeh huruf ti mulai Y-O-S-A-N. Nu kahiji, bisa ditukeurkeun ka warung pas meuli. Engke ku warung di kirimkeun ka grosir, ti grosir dikirimkeun deui nepikeun ka pihak Yosan na. Nu kadua, bisa ngaliwatan kantor pos, ulah poho oge dieusikeun alamat lengkepna. Nu katilu bisa ngaliwatan akun Instagramna Yosan, tuluy tinggal DM pihak Yosan na. Nu kaopat, bisa ngaliwatan situs web Yosan, tuluy kirim email ka perusahaanna. Teu lila bakal dibales ku pihak perusahaanna lajeng bakal di telepon. Mun geus di telepon kari ngadagoan pihak Yosan datang ka imah, lamun sapedah langsung dianteurkeun, tapi lamun kaos mah dipaketkeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2914", "text": "Nyadiakeun perlakuan dina penyembuhan sieun, kahariwang atawa phobia cai di barudak\nPAUD mangrupikeun hal anu sensitip pisan. Faktor lingkungan ogé boga pangaruh\npangaruh hébat kana tumuwuhna psikologi anak anu gaduh phobia cai.\nDina periode perkembangan nuju rumaja anak bakal terus ngalakukeun hal saperti. Sikep ieu hésé pisan dileungitkeun\nsabab dina diajar ngojay budak hésé pisan ngalatih napas dina cai. Kabiasaan sapertos kieu pisan\npantes perhatian. Bubuka ka dunya cai di budak leutik bener-bener perlu ditingkatkeun\npikeun ngajauhkeun barudak tina kasieun éta dina cai. Hiji métode anu bisa dipaké pikeun tamba pikeun phobia ieu CST\n(Latihan Renang Komunikatif). Métode CST Ieu métode latihan ngojay ngalibetkeun peran kolot dina\nkagiatan diajar. Kalawan metoda ieu boga tujuan pikeun nyaho husus faktor naon mangaruhan budak kitu\nsieun cai nya gede pisan jeung kalungguhan kolot dina nungkulan budak anu gaduh phobia cai.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6356", "text": "Bagi sabagean jelema, diseungseurikeun ku babaturan sakelas teh jadi hiji pangalaman nu moal bisa dipohokeun. Sabab, diseungseurikeun di kelas teh biasana mah pedah kajadian nu teu bisa diduga. Misalna labuh tina korsi pas hareupeun babaturan kelas, atawa tiseureuleu di hareupeun kelas. Tah hal ieu teh nyeuri na mah teu sabaraha, ngan erana nepi ka kolot sabab kainget wae. Komo mun nepi ka diseungseurikeun ku sakelaseun mah, mantak era pisan. Jeung deuih mun dihareupeun guru, pasti erana teh bakal kainget wae nepi ka iraha wae ge. Mun amprok deui geus lila ge pasti kainget wae kana kajadian harita nu mantak pikaseurieun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8920", "text": "Aya sababaraha hal anu tiasa urang laksanakeun pikeun ngatasi kasieun ditodong senjata. Kahiji nyaeta urang kudu tetep tenang, sabab gerakan dadakan bisa ngareuwaskeun anjeunna sarta nyorong anjeunna pikeun meta leuwih telenges. Tarik napas jero nalika anjeun silih tetep tenang sareng fokus. Kadua, naroskeun naha anjeunna nyerang anjeun sareng naon anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun nyegah konfrontasi. Panyerang bakal naroskeun barang berharga upami anjeunna garong, kaayaan ieu bakal loba gampang nungkulan. Anjeun ngan kedah nyerahkeun sadaya barang anu dipénta. Katilu, lamun panyerang ngadeukeutan kalayan péso, angkat leungeun anjeun ku dampal leungeun anjeun nyanghareupan panyerang. Ieu nunjukkeun panyerang yén anjeun moal ngalawan deui tapi posisi ieu ogé nyiapkeun anjeun pikeun pencét atanapi ngalawan deui. Kaopat, mun aya di tempat umum jeung batur bisa mantuan, ngagorowok menta tulung. Sareng anu terakhir kabur, cara anu pangsaéna pikeun ngajaga diri tina serangan péso nyaéta kabur. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7260", "text": "Basa nuju kuliah di Korea Selatan bdi diondang ku salah sahiji tempat wisata anu aya di luar kota, nyaeta di Busan. Abdi dipiwarang nganggo pesawat tapi meser tiketna nganggo duit abdi sorangan, ngke pas abdi tos dugi di Busan bakal digantian saharga tiketna. Abdi langsung mesen tiket online. Ieu sabenerna janten kahiji kalina abdi nganggo pesawat di Korea Selatan. Abdi oge nuju kelas bahasa, janten teu acan jago pisan nganggo bahasa Korea. Pas abdi tos di bandara abdi salah ningal jam, kedahna mah tabuh salapan isuk-isuk, tapi abdi malah mesen tabuh salapan peuting, atuh pantesan we teu tiasa. Untungna pas abdi naroskeun ka petugas, untung we acara na teh kanggo isukannana. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7544", "text": "Bakating ku sieunna kana jarum suntik barudak SD seeur nu nyumput di kamar cai. Komo pas ningal aya salah sahiji rerencanganna anu ceurik saatos disuntik jeung ngeluh nyeri padahal ku dokterna dibejaan yen ieu mah ngan sapertos dicoco ku sireum hungkul. Aya barudak anu percaya ka omongan dokter eta, aya oge anu teu percaya, aya oge anu lebay padahal mah teu pati nyeri tapi ceurikna jiga diseseut ku peso. Kapaksa barudak anu aya di kamar cai dipareuman lampuna supados kalaluar teras dikonci di kelas supados sadayana kabagean disuntik. Barudak anu tos disuntik langsung dititah kalaluar sina ameng, barudak anu teu sieun disuntik ditutup socana supados teu ngabayangkeun pas jarumna disuntikkeun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8460", "text": "Pikeun ngungkulan rasa keuheul nalika nempo tumpukan runtah. Coba ngartos yen tumpukan sampah mangrupikeun masalah lingkungan sareng sanes masalah pribadi anjeun. Upami anjeun gaduh pandangan anu positif, maka perasaan jijik tiasa ngirangan. Diajar kumaha ngolah runtah sareng cara ngirangan produksi runtah. Ieu bakal ngabantosan anjeun ngartos yen tumpukan runtah mangrupikeun hasil tina konsumsi anu henteu tanggung jawab sareng kabiasaan produksi. Kontribusi kana usaha pikeun ngokolakeun runtah anu langkung sae. Mimitian ku ngirangan produksi runtah anjeun nyalira sareng mastikeun yen runtah anjeun diurus leres. Latihan tiasa ngabantosan ngaleungitkeun setres sareng ngabantosan kasehatan mental sareng fisik. Upami anjeun gaduh tumpukan sampah anu aya di lingkungan anjeun, cobian ngabersihan sareng ngaleungitkeun sumber masalahna. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7600", "text": "Pernah hiji poe basa abdi nuju balik ka imah, abdi karek apal yen sadaya jalmi anu aya di bumi teh parada mondok di bumi nini. Jadi kapaksa abdi kedah nyalira di bumi. Sabenerna mah abdi teu pati sieun sapertos baheula, tapi abdi mah leuwih sieun ka maling lantaran manusa mah tiasa leuwih jahat tibatan sasatoan atawa mahluk anu sanesna. Abdi langsung buru-buru ngoncian kabeh panto anu aya di imah tuluy langsung mareuman lampu sabari nongton dina laptopa anu sadana digedean supados teu keeunh teuing. Abdi oge ngadu'a supados teu aya kajadian nanaon pas abdi bobo lantaran sateuacanna abdi pernah ngalaman kajadian anu kirang ngeunah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2477", "text": "Sulastri (42), warga Palmerah, Jakarta Pusat, ngan ukur bisa diuk di wewengkon Gelora Bung Karno, Senén (25/4/2022) isuk. Anjeunna sareng putrana kedah ngabatalkeun perjalanan ka Solo, Jawa Tengah, Senén ieu kusabab kantun beus gratis anu disayogikeun ku Polda Metro Jaya. Bari mawa tas jeung kardus nu eusina sajumlahing barang, Sulastri katingali bingung. Sabab, geus teu aya deui beus bébas anu bisa mawa manéhna ka lemburna ayeuna. “Sakuduna mah dinten ayeuna angkat ka Solo, jadwal keberangkatan ping 25 April 2022 énjing-énjing,” saur Sulastri, mikiran waktu keberangkatan beus bakal telat tina jadwal anu geus ditangtukeun, saperti taun-taun saméméhna. Tapi, beus anu disayogikeun ku Polda Metro Jaya berangkat tepat waktu jam 08.00 WIB.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "643", "text": "Katinggaleun beus pas keur wisata ka Ancol. Baheula mah sabab can boga HP jeung can loba oge nu boga HP teh. Tuluy pas keur ka Ancol lantaran nyebar jelema-jelamana, jadi weh papisah jeung nu sejen. Sabenerna mah geus jangjian di titik kumpul nu pas beus parkir. Tapi ku sabab urang poho deui jalanna lantaran lega Ancolna jadi weh rada reuwas sieun ditinggalkeun, urang nepikeun ka leumpang bari rada lumpat neangan tempat parkir beus. Tapi teu sangaja pas keur leumpang teh aya beus nu ngaliwat bari nyauran, Ridho ridho, kadieu, ieu beusna. Urang langsung lumpat da sieun ditinggalkeun, sing horeng teh maranehna oge neangan urang da ngan urang hungkul nu can asup kana beus. Untungna panggih di jalan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8204", "text": "Aya istilah nu ngaranna teh trypanophobia. Trypanophobia teh nyaeta kaayan jalma nu sieun kana jarum suntik. Jalma nu boga atanapi pengidap trypanopghobia ieu teh bakal ngalaman sieun nu bener-bener sieun ka tindakan medis nu aya hubunganna jeung jarum suntik. Kondisi ieu nyebabkeun jantung pengidapna deg-degan teu eren-eren tur panik sawaktos ngantosan giliran pemeriksaan ku dokter atanapi sawaktos mikirkeun tindakan medis naon nu bakal dilakukeun ka manehna. Kondisi ieu wajarna dialaman ku budak leutik, nanging dina babaraha kasus kasieun ti leutik ieu kabawa nika keun ageung. Jalma nu sieun jarum suntik tangtos merinding upami ningali jarum suntik komo upami eta jarum bakal ditojoskeun ka awakna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7827", "text": "Karek mimiti abdi nyobian masak gurita, abdi masak gurita sapertos biasa we, sapertos seafood anu sanesna. Epekteh gurita mah gaduh rasa anu langkung amis tibatan seafood anu sanesna, janten pas didahar teh masih keneh aya bau hanyir di bagian jero na, jaba dagingna oge liat lantaran lila teuing dipasakna, atuh jadi we lebar geus meuli gurita ka mahal-mahal tapi tungtungna mah teu kadahar lantaran bau anu janten sumebar ka kuah jeung sanguna. Anu tadina teu sabar hayang ngasaan gurita jadi geleuheun lantaran teu acan leungit bauna. Anu geus ngalaan samangkok oge teu jadi dahar pas apal bau na hanyir keneh. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2109", "text": "Upami ditaros ka adi abdi, anjeun langkung resep fanmeet atanapi konser manehna pasti milih fanmeet? Kusabab fanmeet, interaksi antara idola jeung fans maranéhanana bener karasaeun hébat. Utamana lamun nambahan hiji MC seru. Ngajadikeun atmosfir bener haneut. oh enya, tambah lamun urang bisa menta kaasup proyék video ti fans pikeun idola urang nu ngajadikeun idola urang keuna. Beuki kainget wae ceunah mah fanmeetna , Konsér ogé sabenerna seru, tapi interaksi antara fans jeung idola kurang. Kusabab dina konser lolobana urang ngan bisa ningali interaksi lucu antara anggota. Waktu éta adi kuring lalajo konser EXO munggaran Lost Planet. Teu kunanaon ayeuna. Hehehehe, alus lamun fanmeet teu buru-buru sabab keur diuk. Beda jeung konsér nu ngaheureuyan. Tapi anu waspada cek adi kuring mah nyaeta, perang tiket milih korsi kudu gancang + sambungan internét stabil.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5966", "text": "Salah sahiji hal nu paling dipikasieun ku Rini nyaeta dibully babaturanna keur di sakola. Sagala barangnu dibawa ku Rini teh pasti dijailan ku babaturan na. Tas sakolana teh dicurat-coret make balpen ku babaturanna, sapatuna disumputkeun dina tatangkalan kadang na tong sampah, alat tulis na oge sering diinjeum teu dibalikeun, komo mun parah mah nepi ka ngaruksak sagala barang nu dibawana. Mun ngobrol hareupeun Rini ge sok ngahaja bari muncrat ka beungeut Rini. Rini teu wani ngalawan babaturanna, sabab sieun diarahan jeung diontrog di sakolana ku babaturan sakelasna. Rini teu weleh cicing we sapanjang sakola keneh mah, bertahan nepi ka lulus sakolana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4451", "text": "Lamun urang aya di posisi babaturan urang kamari dimana hasil pagawean maneh na anu geus capek capek kalahka di aku ku jelema sejen urang pasti bakal ngamuk ambek teu tarima. Eta teh ngarana ngaklaim hasil pagawean batur sarua jeung maling atawa plagiat eta malah bisa di uruskeun liwat jalur hukum. Aya babaturan kelompokna babaturan urang basa kuliah, manehna kalah ka ngaku ngaku pagawean anu geus di jieun ku babaturan urang, manehana saengeunah na teu kudu capek capek ngariset, neagan data jeung migawe pagawean sejena. Ari pagawean tugas na geus anggeus manehna ujug ujung miluan weh ngaku ngaku padahal teu milu migawe sama sekali. Babaturan urang sempet ambek nya wajar tapi teu lila kusabab embung manjangkeun masalah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5220", "text": "Tilu cara ngaantisipasi PHK keur masih damel keneh. Nu kahiji nyaeta urang kudu gaduh tabungan. Tah tabungan ieu teh penting pisan jang masa depan, termasuk bisi suatu saat urang kena PHK teh mending we aya cecekelan saeutik mah. Nu kadua nyaeta muka usaha. Sambil damel, urang ge sabisa mungkin mah muka usaha di bumi atawa di tempat sejen nu memadai, supaya mun urang kena PHK, urang gaduh panghasilan lain tina usaha eta. Muka usaha oge supaya bisa nambahan panghasilan urang salila damel. Nu katilu nyaeta tingkatkeun performa di padamelan jeung jaga reputasi. Makin urang dibutuhkeun ku perusahaan, makin kecil kamungkinan urang kena PHK.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2186", "text": "Bapa kuring boga cita-cita jadi dokter, biasa ulangan ujian asup kadokteran. Ngan kusabab teu kalaksanakeun, anjeunna ngarep pisan yén salah sahiji budakna tiasa janten dokter. Sareng nalika kuring badé lebet ka SMA, kuring parantos mutuskeun yén kuring hoyong lebet Ilmu Sosial kusabab kuring ngarasa bodo pisan dina élmu, kuring sakola di SMP dimana IPA 75 sareng upami kuring nyandak ujian kuring tiasa nampi 75, kuring bagja pisan sabab kuring henteu diubaran, sahenteuna kuring berbakat dunya IPA. Ngan Bapa mah terus ngabujuk sangkan asup élmu jeung jadi dokter lantaran geus bener-bener siap nanggung biaya sakola kedokteran. Ieu ngan daripada kuring maot ngora pamikiran ngeunaan rumus fisika kimiawi. Kuring masih milih IPS sanajan mimitina bapa kuring kuciwa, ayeuna anjeunna ikhlas tur sabenerna ngarojong kuring.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2964", "text": "Numutkeun Aronson, Wilson, sareng Akert, \"Langkung ageung jumlah panongton anu nyaksian kaayaan darurat, langkung sakedik kamungkinan pikeun ngabantosan salah sahiji.\" Samentara éta, nurutkeun Sarwono, Bystanders nyaéta \"Jalma anu aya di sabudeureun adegan jeung boga peran anu kacida gedéna dina pangaruh batur nalika mutuskeun antara nulungan atawa henteu lamun nyanghareupan kaayaan darurat\".\r\nFenomena ieu mimiti loba dibahas saprak aya kasus Kitty Genovese taun 1964. Mangga googling ngeunaan kasus Kitty Genovese.\r\nPaling dipikaresep, pangaruh bytender ieu bisa lumangsung alatan ayana loba jalma di sabudeureun tempat kajadian ngajadikeun difusi tanggung jawab. Hal ieu disababkeun ku ayana pengamat séjén, atawa jalma séjén di sabudeureun, sahingga hiji jalma teu ngarasa kapaksa ngalakukeun tindakan. Lantaran teu aya pembagian tanggung jawab di antara jalma-jalma anu ningali kacilakaan éta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9158", "text": "Ayeuna kuring nuju ngajar di salah sahiji sakola SD di Bandung. Harita geus waktuna solat jeung makan siang. Basa kuring ka kamar mandi rék pipis jeung wudu, tétéla di wc teh aya kénéh kokotor anu teu acan beresih dibanjurna. Sajujurna, kuring saleresna teh jijik dina waktos éta teh, tapi salaku guru urang teh kedah ngartos yén budak SD ogé masih diajar keneh, sareng teu mungkin urang ambek di payuneunana. Tugas urang salaku guru nyaéta ngabéjaan anu leres kumaha ngabersihkeun jamban saatos dianggo, supados kajadian sapertos kitu henteu kajantenan deui. Ahirna kuring beberesih heula, dibanjuran nepi teu aya kotoran deui tuluy kuring buang air di dinya.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2165", "text": "Bapa mah jalma anu kurang ajar, boh paripolahna boh omonganana, sombong, sombong, jeung mikacinta harta banda, leuwih ngutamakeun harta ti kulawarga. Abdi masih émut kekerasan anu dilakukeun ku bapa ka indung sareng adina ti umur 5 taun, dugi ka sesah napas sareng kesang tiis nalika ningali / nguping kekerasan naon waé. Kuring ngalakukeun narkoba (sabab kuring tiasa ' t tahan tekanan) jeung Abdi pisan, sieun pisan kasalahan saetik ge.\nAbdi henteu kantos nampi pujian pikeun sagala prestasi kuring, sanaos kuring juara biasa di sakola & paguron luhur di tempat anu terkenal. Kuring ngarasa yén sakabéh accomplishments abdi euweuh hartina. Kuring ngarasa euweuh hargana", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5243", "text": "Salila ngajalani kahirupan, enteu wae kaberuntungan nu dimeunangkeun teh, tapi oge kagagalan. Unggal jalma pasti ngalaman nu ngaran na kagagalan. Tapi, kagagalan eta teh ulah dijadikeun akhir tina sagalana, malahan mah kudu dijadikeun awal tina sagalana. Ulah era dina ngaku kagagalan, sabab eta hal wajar. Jadikeun eta kagagalan teh batu loncatan jang manggih kasuksesan urang. Ulah ngajadikeun mental urang down gara-gara kagagalan, tapi kudu leuwih optimis deui jang ngajemput kasuksesan. Tah, yuk ah ti ayeuna mah jadikeun kagagalan jang motivasi ngalangkah selanjutna. Saberes kasediha pasti bakal aya kabagjaan. Buktikeun bahwa kagagalan teh awal tina kasuksesan nu bisa ku urang raih!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6010", "text": "Tilu hal nu kudu dilakukeun mun keur ngarasakeun ambek. Nu kahiji nyaeta tong ngomong nanaon. Biasana mun keur ngambek mah omongan teh sok kalepasan, tara dipikir ulang. Omongan nu kaluar teh sok nganyeurikeun hate batur. Komo biasana mah nepi ka kaduhung enggeusna. Nu kadua nyaeta geura ambil wudhu. Mun keur ngambek teh ulah nembalan nanaon, mending wudhu supaya ambekna tereh leungit, lobakeun oge istigfar supaya bisa tereh raat ambekna. Nu katilu nyaeta bawa sare. Mun keur ambek pisan, mending dibawa sare supaya ambek na leungit jeung bisa kapohokeun. Daripada dikedalkeun kaambekna, ke bisi kaduhung enggeusna. Mantak mending ngahindar we supaya teu kaduhung.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2929", "text": "Kumaha perasaan anjeun nalika bos anjeun nyentak anjeun?\nGumantung kana alesan kuring di carek, sarta kumaha boss nyarekan kuring.\n\nMun kuring kabuktian salah, kuring bakal nampa dicarek. Kuring malah bakal ngarasa bener isin sarta kuciwa ku sorangan. Saterusna kuring jadi ditangtukeun dina mangsa nu bakal datang teu nyieun kasalahan nu sarua.\n\nMun kuring polos, abdi bakal keukeuh yén kuring henteu. Hate dicangking tanpa alesan anu jelas.\n\nUpama dicarékan pahareup-hareup, kuring bakal hormat ka atasan. Kusabab sanajan anjeunna ambek ka kuring, anjeunna tetep ngajaga reputasi kuring. Ieu ciri khas bos anu paduli ka bawahanna.\n\nUpama dicangking di tempat umum (kaasup di grup WA), kuring bakal keuheul. Abdi mangrupikeun jalma anu fokus kana solusi, sareng ku ngerakeun kuring di payuneun seueur jalma, teu aya solusi anu kedah dilakukeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1030", "text": "Ninggali dina TV ngeunaan suporter di Stadion Kanjuruhan nyieun urang sieun, eta mah jelas loba jelema katincakan pas rek kaluar ti stadion lantaran di jero stadionna geus loba gas air mata. Teu kabayang mun urang di posisi keur aya didinya, meureunan miluan panik bari ka badug-badug ku batur sabab suasanana teu kondusif. Sanajan ninggali dina TV tapi katinggali kumaha chaosna nu keur di stadion eta, aya budak leutik keneh, aya awewe, nu katarincak teh. Sedengkeun ninggali nu rek nulungan teh hese, sanajan dibetot oge eta nu katindihan tetep we teu bisa ka betot sabab geus padedet. Teu kawasa ninggalina ge komo deui mun aya di tempat kajadian mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4458", "text": "Salah sahiji tugas patugas di indonesia salian ngabantuan pelanggan teh nyaeta kudu someah, 3 S atawa Seuri, Salam, jeung Sapa eta teh awal wujud komunikasi teu verbal lamun dina bidang palayanan. 3S teh sabenerna babari jeung sederhana pisan tapi bisa gede makna na ka jelema anu ku urang di sambut. Jelema na atawa pelanggan bakal ngarasa di hargaan jeung di pihormat, Urang kudu apal jeung paham aya bahwa aya sift jelema anu hayang di sapa jeung di senyuman, eta teh lengkah awal lamun urang erek ngawangun citra anu alus, asa sababaraha jelema anu nungtut yen patugas teh kudu pisan someh lamun henteu eta bisa jadi masalah palanggan eta bisa ambek ambekan jeung tangtuna bakal jadi masalah kahareupna lamun teu di turutan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1371", "text": "Ngaberesihkeun imah nu dipinuhan ku rinyuh emang bisa jadi tugas nu nangtang jeung nimbulkeun rasa geuleuh. Tapi mun milu kana sababaraha cara jang mantuan ngaberesihkeun imah tina rinyuh bisa ngalakukeun cara ieu. Nu kahiji teangan heula di mana rinyuh asalna, ieu bakal mantuan urang nargetkeun area nu ngabutuhkeun perhatian ekstra pas ngaberesihkeunna. Nu kadua gunakeun sarung leungeun karet jang ngalindungi leungeun tina kontak langsung jeung rinyuh. Nu katilu gunakeun produk pembasmi rinyuh nu aya di pasaran jang ngaberesihkeun. Nu kaopat saenggesu ngaberesihkeun, bersihkeun oge area nu kadampak ku nyapuan make kaen nu beresih kanggo ngaluengitkeun rinyuh nu geus maot. Nu terakhir pariksa area nu aya disabudureun, siga jendela jeung panto, lantaran ieu tempat nu mindeng dijadikeun sarang ku rinyuh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3246", "text": "Ngadeukeutan panto wc kuring ningali lampu di unggal bilik pareum. Dina haté kuring nganuhunkeun, sabab pasti aya seueur tempat anu matak pikasieuneun di dinya, sareng lampu pareum bakal ngirangan rasa paningalan. Beuki deukeut kuring sadar, panto wc teu bisa ditutup! Jadi jalma nu asup sorangan, geus kalis ku éra ku panto satengah muka. Ku kituna loba nu balik, ngajak baraya / kenalan pikeun asup ka kamar babarengan, ambéh aya nu nutup panto. Teu aya cara kuring nyerah. Abdi kabelet! Janten kuring nyarios ka awéwé anu aya di tukangeun antrian kuring, \"Cik, anjeun Engke badé lebet, punten tahan panto. Pas anjeun lebet, kuring giliran nahan panto.\" Kabeneran deui, si eneng daék. Tungtungna giliran kuring. Sareng kuring nganuhunkeun pisan sabab lampuna pareum, sabab wcna aya genangan setinggi mumuncang, sareng kabeneran kuring nganggo high hell, janten suku kuring henteu keuna kana genangan. Teu kedah ka wc jongkok, engke tiasa dijapotkeun, janten abdi angkat rok didinya, teras teu kedah dijelaskeun ... aduh mugi anu maca ieu henteu tuang. atawa nginum bari.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7516", "text": "Abdi diajarkeun supados janten jalmi anu teu gampang panik lamun nyanghareupan kondisi anu bahaya. Kaasup basa abdi nuju ulin di hiji resto anu aya di sisi kolam. Abdi sareng rerencangan ulin ka dinya kanggo emam, tapi teu lila urang oge hereuy di sisi kolam, tadi na mah ngan rek poto hungkul tapi jol aya nu teu kahaja labuh ka kolam manehna gogorowokan lantaran sieun pedah teu tiasa ngojay. Untungna langsung aya nu nulungan manehna naek ka luhur. Manehna sempet teu sadar lantaran loba teuing nginum cai kolam pedah manehna gogorowokan, tapi tungtungna manehna langsung dibawa ku ambulans ka rumah sakit. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "350", "text": "Jaman SMP keur rame-ramena game online. Sabab urang teu boga komputer jadi urang sok ngahaja ka warnet jang maen game online. Kitu oge sarua jeung babaturan nu saumuran urang, loba pisan di warnet teh. Urang mun indit ka warnet teh sok tara bebeja ka indung, indit isuk balik lohor. Kitu unggal libur komo pas bulan puasa mah ampir unggal poe. Hiji waktu pas perjalanan urang ka warnet aya SMS ti indung urang, eusina teh bahwa anjeunna ngadoakeun urang sing jadi jelema sholeh, jeung lamun kaluar teh bebeja ka kolot. Tidinya urang ngarasa indung urang kuciwa ka urang. Urang langung balik deui ka imah teu dituluykeun ka warnet jeung menta hampura ka indung.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8550", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era anu disebut bau awak. Ieu cara paling efektif pikeun nungkulan bau awak. Pastikeun mandi unggal dinten sareng nganggo sabun anu cocog sareng jinis kulit anjeun. Tong hilap rutin ganti baju sareng baju jero. Sababaraha jinis kadaharan tiasa mangaruhan bau awak. Coba ulah katuangan luhur bawang, alkohol jeung kopi. Nginum cai anu seueur tiasa ngabantosan ngajaga uap sareng ngabantosan ngalawan bau awak. Stress tiasa nyababkeun bau awak langkung parah. Coba nungkulan setres ku latihan, semedi, atawa kagiatan senang. Sakapeung, era jeung sieun ditolak ku batur bisa ngaruhan kumaha urang ngarasa ngeunaan bau awak. Narima jeung yakin ka diri sorangan jeung yakin yen bau awak teh hal normal anu bisa lumangsung ka saha wae.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7571", "text": "Basa lini di Cianjur sabenerna abdi oge ngarasakeun lini di Bandung. Pas abdi balik ti kampus, di hareupeun imah abdi ngarasa oyag. Ari sugan teh eta mah ngan lieur dina sirah hungkul, tapi gening pas ningal galon oge caina rada oyag. Teu lila di hape loba nu ngomongkeun lini, pusatna ti Cianjur. Abdi langsung sieun lantaran Cianjur teh lumayan dekeut ti Bandung. Abdi langsung waspada lantaran di Bandung geus diprediksi bakal aya lini. Abdi oge ngadu'a ka Alloh supados tiasa taubat sateuacan bumi ieu dihancurkeun. Abdi oge janten sok merhatikeun titik kumpul bencana di unggal tempat supados apal kedah ka mana lamun aya lini. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7831", "text": "Basa mondok di imah rerencangan, abdi sareng rerencangan anu hiji deui ngarasa ararateul, sugan teh lantaran urang teu acan mandi, tapi pas atos mandi oge angger we arateul keneh, asalna mah urang mikirna kusabab beunang hileud bulu, tapi pas abdi ningal dina tembok loba bintik-bintik hideung bareuleud, abdi inget yen eta teh biasana tina tumila lantaran baheula di imah nini kuring aya tumila dina kasur. Pantesan we rerencangan kuring oge sukuna barudug, mereun eta teh pedah beunang tumila. Abdi langsung nitah manehna moe kasur supados teu aya tumilaan deui. Abdi oge nyarankeun manehna yen ulah nunda anduk baseuh dina kasur. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "765", "text": "Basa harita keur ngarantau keneh, urang ngekost di hiji desa. Kabeneran harita urang teu balik, padahal mah biasana mun idul adha balik, tapi ku sabab loba pagawean jadi teu balik. Biasana mun idul adha sok aya nu ngabagikeun daging kurban, boh eta daging sapi, munding, atawa domba. Tapi saprak ngekost di desa ieu mah urang teu pernah meunang daging kurban, padahal urang cicing didinya teh geus aya kana 3 taunan. Pajarkeun teh da urang mah lain penduduk asli eta, jadina teu dibagi. Naha aya syaratna kitu mun perantau ulah dibagi daging kurban? Padahal pas taun eta mah urang ngahaja mantuan meuncit, hayang nyaho cing dibagi henteu. Tapi tetep weh urang ngabantuan oge teu dibagi. Urang ngarasa diperlakukeun teu adil.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2903", "text": "Contona, tukang maling maot ku korban alatan refleks atawa pertahanan paksaan, mangka korban (pelaku pembunuhan) teu bisa dihukum pidana (penjara) sabab nurutkeun Pasal 49 ayat (1) KUHP disebutkeun. anu:\r\n\r\n\"Henteu dikriminalisasi, sing saha waé anu ngalaksanakeun tindakan pertahanan paksa pikeun dirina atanapi pikeun batur, kahormatan moral atanapi harta milik atanapi jalma sanés, sabab aya serangan atanapi ancaman serangan anu caket pisan dina waktos éta anu ngalanggar hukum.\"\r\n\r\nAya oge, Pasal 49 ayat (2) KUHP ogé nyatakeun:\r\n\r\nPertahanan kapaksa anu ngaleuwihan wates, anu langsung disababkeun ku shock méntal parna alatan serangan atawa ancaman serangan, moal dihukum.\r\n\r\nNumutkeun pasal ieu, jalma anu pertahanan darurat teu bisa dihukum. Pasal ieu ngatur alesan-alesan dileungitkeun hukuman, nyaéta alesan-alesan nu bener sabab tindakan pembelaan anu dipaksakeun sanés tindakan anu ngalawan hukum.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1431", "text": "Harita teh poe mimiti urang asup sakola SMA, urang can wanoh ka babaturan nu aya di kelas. Poe mimiti teh urang telat asup, jadina neangan heula kelas. Pedah gura-giru jadi urang teu ninggali heula tanda kelas nu aya di luhur panto. Urang langsung asup, bari ngucap \"Assalamualaikum\". Tuluy diuk di bangku anu kosong. Pas geus diuk, batur teh ninggalikeun urang bari seuseurian. Urang karek ngeuh pas ditanya, \"Kelas sabaraha, kang?\" \"Abdi kelas 10, ieu kelas 10 pan?\". Tuluy dijawab deui bari seuri, \"Sanes ieu mah kelas 12, sigana lepat lebet kelas\". \"Eh ya Allah, punten-punten abdi teu apal da nembean dinten ieu sakola, teu apal kelas\". Pungkas urang, sabari lumpat gura-giru ka luar ku sabab era.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8235", "text": "Mawar teh ayeuna tos arek asup kuliah. Manehna tos katarima di salah sahiji univsitas unggulan di Pulau Jawa. Universitasna ieu teubih ti imahna bahkan tos beda provinsi. Daek teu daek Mawar kudu ngekos di daerah deket univeritasna. Kolotna mah teu ngarasa nanaon upami Mawar arek ngekos teh kusabab da Mawar teh sanes budak leutik deui tos 19 taun. Nanging kalahkah Mawar nu hariwang ngekos nyalira kusabab manehna ti leuleutik sareng kolotna wae. Ditambih oge Mawar teh jalmana borangan upami keur sorangan. Mawar sieun upami hirup sorangan tebih ti kolot teu tiasa masak, nyeseh, jeung nu sejenna. Mawar sieun tur hariwang hirup sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6844", "text": "Basa eta pas miluan giveaway ti Shopee, kondisi hate abdi teh sabener na mah keur teu sa. Tapi abdi tetep ngiringan giveaway kurang leuwih tilu hari teterusan ngomentaran postingan giveaway eta. bari sedih lantaran hiji perkara. Tapiteu disangka-sangka pas tos dinten na bewara saha anu meunang, saatos magrib abdi meunang notifikasi akun abdi disebut ku Shopee. Singhoreng eta teh bewara anu meunang giveaway shopee. Sateuacanna abdi tos nyangka abdi bakal meunang giveaway, tapi ngan mikir dina jero hate hungkul. Alhamduliah bewara eta tiasa ngajieun abdi janten bungah deui. Pokona mah sadayana oge pasti gaduh kesempetan anu sarua. Sadayana oge tiasa janten anu meunang giveaway.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "267", "text": "Nyiapkeun lomba 17 Agustus tangtu jadi hiji hal nu wajib diperlukeun ngameh acara bisa jalan lancar. Sababaraha nu kudu dilakukeun dina persiapan nyaeta, Nu kahiji ngabentuk panitia. Panitia ieu dijieun jang nguruskeun rupa-rupa hal ngeunaan lomba, mimitina ti perencanaan, nentukeun materi lomba, waktu jeung tempat acara lomba, ngagalang dana, ngalaksanakeun lomba, nyerahkeun hadiah jeung evaluasi lomba. Struktur panitiana bisa ti ketua, girang serat, bendahara, jeung divisi nu sejenna. Nu kadua kudu meunangkeun izin jang acara lomba, leuwih alus boga izin resmi ti sabudureun. Bisa dimimitian ti RT/RW, lurah, atawa polisi anu aya di wewengkon eta. Nu katilu oge penting nyaeta ngagalang dana, sababaraha dana bisa dilakukeun ngaliwatan iuran warga, pendaftaran peserta, donatur, jeung sajabana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1397", "text": "Basa keur dahar di resto nu keur viral, harita teh loba jelema nu datang. Urang ngajak babaturan limaan ngarah rame-rame sabab hayang kadinya oge panasaran ku rasana. Keur ngeunah ngobrol jeung heureuy bari sura-seuri, sabab urang mah maceuh seurina nepikeun ka teu kahaja calana soek. Mimitina mah teu ngeuh calana teh soek, apal-apal teh pas dibejaan ku babaturan nu diukna dihareupeun urang. Manehna sura-seuri sorangan, teu kuat meureunan ninggali calana urang soek. Pas dibejaan urang langsung nutupan calana nu soek ku leungeun, bari era da diseungseurikeun, nepikeun ka meja nu sabeulah oge nyeungseurikeun. Untungna teh geus beres daharna jadi urang buru-buru asup ka mobil.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8154", "text": "Saatos lila lalajo stand up comedy, Dani ngawainekeun open mic pertama kalina. Saleresna Dani tos nyiapkeun materi stand up-na ti jauh-jauh poe. Aya hiji perasaan nu Dani rasakeun saacan naek ka panggung, manehna sieun ngeboom atanapi materina teu lucu. Giliran manehna open mic, Dani naek ka luhur panggung. Kabeh jalmi ngadagoan Dani ngomong, manehna janten makin sieun kusabab suasanana ujug-ujug tiiseun. Dani teras maksakeun ngomong nyampeikeun kabeh materina. Saluyu sareng ekspektasina, materi nu Dani sayogikeun teu lucu. Dani kuciwa pisan ka manehna sorangan nanging aya hiji babaturanna nu ngabejaan upami materi Dani teh saleresna lucu ngan pembawaanna kirang sae. Kusabab Dani demam panggung panonton teu tiasa ngarasakeun lucuna materi nu Dani sayogikeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4459", "text": "Urang salaku pangunjung pelanggan lamun ngamimitian datang ka hiji tempat teh pasti can apal nanaon kusabab karek mimiti, urang pasti butuh pisan ka patugas pikeun mere nyaho kaayaan atawa paraturan paraturan anu aya di tempat era, patugas oge kudu sabar ngajentrekeun partanyaan urang saba eta salah sahiji tugas na lamun keur di gawe. Pangunjung atawa pelanggan pasti sebel jeung moal hayang datang deui ka tempat eta lamun patugas na teu bageur teu someah, inti na patugas teh pangwujudan tempat na, kudu sabar jeung kuat menatla amun jadi patugas kusabab manggihan loba jelema anu beda beda watak na unggal poe, aya anu babari ambek teu sabaran padahal patugas geus ngusahakeun mantuan jeung aya oge anu sabar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9207", "text": "Teuing ku heran ku nu jadi salaki teh. Batur mah boro-boro daek ngombehan budakna lamun budakna miceun teh. Sakalieun budakna ngompol oge embung mangnyalinankeun. Ari salaki kuring mah, lamun mawa ulin budak, seug budak teh miceun atawa ngompol, mulang teh calana na geus beresih diseuseuh ku anjeuna. Sakali mangsa mah, basa budak kuring nu cikal karek umur sataun, sarena teh motah. Seug harita mah nu ngarana pempers teh masih barang langka, jadi ari di imah mah budak teh tara make pempers. Kabeneran harita oge budak teh teu dipakean pempers. Kuring tibra sare gigireunana bari teu ngeuh budak teh miceun dina calana. Kulantaran sarena motah, atuh eta kotoran teh ludat ladet kamana-mana ngotoran sepre. Kuring kacida jijina ningal kitu teh, ampir-ampiran utah. Tapi eta nu jadi salaki mah kalem we nyomotan kotoran budak kuring, bari dikesud ku lap baseuh tepi ka sepre teh bersih deui, tinggal nyeuseh ku sabun pikeun ngaberesihkeun najisna. Tah lamun nyeuseh mah bagian kuring. Tadina mah kuring bingung kudu kumaha meresihanna. Alhamdulillah, dipasihan pasangan teh nu bageur.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2471", "text": "Cara prank dina whatsapp, ngenaan 'baca salajengna'.Lebetkeun situs penghasil teks \"Read more\" WhatsApp di https://www.dardura.com/p/buat-teks-read-selengkapnya-whatsapp.html.\r\nTeras ketik teks pambuka sareng téks kadua anu anjeun hoyong nyumput dina Read More Whatsapp.\r\nTeras klik menu \"Jieun\". Lajeng Dardura bakal ngarobah dua téks kana hiji bagian tina obrolan, kalawan \"Read More\" atawa \"Read More\" tampilan dina tungtung téks munggaran.\r\nDina WhatsApp panarima, sakabéh téks moal némbongan langsung, tapi kudu klik \"Read More\" atawa \"Read More\" pikeun bisa maca eta sagemblengna.\r\nAnjeun tiasa nempatkeun inpo serius dina téks kahiji, teras bubu babaturan anjeun dina salajengna.\r\nBayangkeun upami sobat anjeun serius nyandak inpormasi dina téks kahiji, teras anjeunna ngaklik pilihan \"Read More\" atanapi \"Read More\".", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2096", "text": "Waktu kuring kelas 5 SD, kuring meunang juara 1 pasanggiri silat Tapak Suci pikeun kelas C putra (kelas A, B, C, jeung sajabana dumasar kana beurat awak). Eta piala teh kudu dipasrahkeun ka sakola pikeun dipajang, jadi kuring ngan dibere piala replika jeung sertifikat pikeun dibawa ka imah. tapi aya hiji kacilakaan nyaeta Cangkir piala juara anu munggaran kuring murag sareng ujung-ujung na teh mani ti beubuet peupeus hehe. Untungna, anu rusak ngan ukur cangkir piala tiruan, sanés anu asli. Waktu éta kuring bagja pisan, sabab latihan minggu-minggu kuring hasil menangkeun juara silat, nu nyebabkeun orang tua teh mani bangga pisan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4442", "text": "Kata SARA nangtung pikeun kapanjangan ti kata Etnis, Agama, Ras sareng Antarkelompok, anu tumuwuh sareng mekar di masarakat.Dina sajarahna, loba runtuyan karusuhan sareng konflik anu sok dumasar kana sentimen sareng konsep SARA. Eta diwangun ku anu gaduh kakawasaan. Maranehna condong teu eleh tina sudut pandang sejen dina paham kana panyabab karusuhan, iwal ti SARA nu sok dijadikeun tersangka utama jeung panyabab utama karusuhan sosial. Isu SARA di anggap ngabayakeun ku sabab indonesia teh nagara majemuk, loba dina warga na anu masih ngumpul dina hiji wewengkonanu sakabeh na sarua nya agama, ras jeung sajabana maranehna teh ngarasa manehna teh pangbenerna, eta teh dumasar kana SARA jadi osok ngarendahkeun anu lain. Korban anu geus pernah di jadikeun SARA di lingkungan na paham pisan bahwa sabnerna ah urang teh hayang ngambek jeung emosi tapi lamun cicing di daerah eta nya sarua jeung bohong omongan urang anu minoritas moal digugu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7309", "text": "Hiji harta karun kapanggih di Aceh saatos tsunami. Harta karun ieu kapanggih ku hiji awewe anu ngaranna Fatimah. Waktos eta, manehna keur nyisir rawa sabari neangan tiram di Desa Gamping Pande, Aceh. Harta ieu kapanggih dina kotak ditutupan ku karang jeung tiram. Kotak ieu ujug-ujug kabuka nalika Fatimah nakol bagian luhurna basa nuju bade nyandak tiram. Fatimah reuwas lantaran kotak nu eusina koin emas aksara Arab eta langsung bahe eusina. koin ieu diperkirakeun tos aya ti tauhn 1200 nepi ka 1600 Masehi. Harta karun ieu kapanggih di deukeut kuburan kuno pangawasa abad ka-13 anu ayana kapanggih sanggeus tsunami Aceh dahsyat taun 2004.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "608", "text": "Pas ninggali jurig, urang kudu berusaha jang hare-hare jeung berusaha maca ayat suci Al-Quran. Dina Islam, maca ayat kursi mangrupakeun salah sahiji cara ngameh teu diganggu ku jurig atawa setan. Ku maca ayat kursi, urang bakal ditangtayungan ku Allah SWT, jadina bakal aya rasa nyaman dina ngalakukeun aktivitas bakal terus aya. Komo dina ajaran Islam mah, saacan urang sare peuting teh, alusna mah maca ayat kursi heula. Ku ngalakukeun hal ieu, urang bakal ditangtayungan ku Allah ngameh jurig teu ngaganggu sare urang. Rasa reuwas ninggali jurig geus pasti, komo mun mimiti ninggali mah, ieu wajar sabab urang tara biasa ninggali jurig.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2957", "text": "Saksi mangrupikeun salah sahiji pihak anu tiasa ngabéréskeun hiji pasualan. Pernyataan tiasa janten nilai evidentiary. Kusabab éta, pihak-pihak bakal nyobian milarian jawaban sareng milarian saksi anu ditepikeun. Patarosan', ditambah ku sora luhur jaksa atawa pengacara, sakapeung nambahan rasa gugup pikeun saksi. Henteu sakabéh saksi boga kesiapan fisik jeung méntal sarua nalika maranéhna kudu muncul di rohang pangadilan. Malah datang pikeun minuhan saman ku pulisi salaku saksi bisa nyieun batur gugup. Utamana lamun di rohang pangadilan tempat prosés tanya jawab. Dina KUHP aya katangtuan yén saha waé anu ningali, ngadéngé, ngalaman sorangan, atawa boga pangaweruh anu langsung patali jeung lumangsungna kajahatan bisa dijadikeun saksi dina perkara pidana. Upami anjeun parantos disauran janten saksi, janten kawajiban hukum pikeun warga pikeun ngalaksanakeunana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4302", "text": "Ayena mah loba budak ngora anu geus di vonis boga panyakit misalna diabetes. Diabetes teh panyakit anu hese atawa teu bisa cageur na, panyakit ieu rata rata di vonus bakal aya saumur hirup matak kudu punter pinter ngajaga dahareun anu asup kana awak kudu bisa pola hidup sehat, sabab lamun geus parah bakal hararese siga misalkeun diabetes lamun boga luka pasti hese garingna parahna bisa nepi ka busuk. Panyakit ieu teh aya kusabab loba teuing gula, sabenerna asalna bisa dua bisa tina katurunan jeung pola hidup. Tapi ayeuna lolobana beunang panyakit ieu tina pola hirupna, barudak ngora oge jadi loba anu di vonis panyakit ieu. Mimitina mah pas di vonis asa rareuwas teu percaya, tapi nya kitu ayana. Matakna urang kudu bisa ngajaga kasehatan. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7486", "text": "Aya sababaraha hal anu nyebabkeun urang janten demam panggung atau anu dina istilah medisna nyeta kecemasan sosial, diantarana nyaeta rasa teu percaya ka diri sorangan, kirang istirahat, faktor katurunan ti kolot, tara dahar, mineng teuing nuang kafein, mineng teuing ningal media sosial, mineng teuing maca warta anu kirang sae, ngarasa salah atawa era kana hiji perkara, jeung kajadian anu pernah di alaman baheula atawa trauma. Komo di jaman pandemi, seeur pisan jalmi anu ningal warta jeung media sosial anu nyebarkeun informasi anu salah, anu matak nyieun urang kalahkah sieun kanu hal anu can tangtu kajadian. Beuki mineng urang ningal media sosial beuki sieun oge urang petepang jeung jalmi anu sanes. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5208", "text": "Di lembur abdi mah ngalongok orok nu nembe lahiran teh salah sahiji kabiasaan nu masih aya dugi ka ayeuna. Terus mun ngalongok orok teh diwajibkeun babawaan, boh jang indungna atawa orokna. Rek dulur atau tatangga sakalipun sarua wae, mun lairan mah kudu dilongokan. Hal ieu sabagai rasa syukur jeung nyambut ka warga nu anyar lahir, supaya kahareupna bisa jadi jalma nu mangpaat. Ieu kabiasaan oge jadi salah sahiji ajang ngeuratkeun silaturahmi anta tatangga. Dugi ka dieu mah kabiasaan ieu teh memang leuwih hade diayakeuna, sabab salian jadi sarana silaturahmi, oge bisa jadi sarana silih tulung oge. Janten sae pisan jang dilestarikeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7319", "text": "Abdi paling teu resep ka jalmi nu sok miheulaan batur. Abdi ningal hiji kajadian, aya hiji awewe anu dipiheulaan ku hiji lalaki basa manehna nuju antre kanggo nyandak ubar di apotek. Gara-gara lalaki eta, jalmi anu sanesna nurutan manehna miheulaan awewe eta. Awewe eta oge kalahkah cicing hungkul, siganamah manehna sieun ka lalaki anu sanes. Abdi langsung nuntun manehna kanggo balik deui ka barisan manehna dihareup sabari nyeseulan lalaki anu miheulaan tadi. Abdi nyarios ka manehna sabari nyentak, teu ngarti ka maranehna padahal sasatoan oge tiasa jalan dina barisan tapi manehna kalahkah miheulaan batur, teu ngahargaan batur anu tos ngantosan dina barisan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2111", "text": "Tah bari nongton syuting kuring mikir kumaha carana bisa poto jeung si A, lengkah kahiji deukeut ka tempat shooting nu rada ketang ku chatting jeung tambahan, berbekal SKSD kuring bisa ngobrol, ieu bener. pangalaman kuring ningali proses syuting sacara langsung anu ternyata bener-bener rumit, kuring dugi ka jam 1 siang sareng dugi ka jam 5, ngan ukur 3 adegan, kuring salut ka urang dunya perfilman, sabar sareng sadayana lengket sareng tim émosional. OKÉ, hayu urang neruskeun carita, sanggeus SKSD jeung tambahan, kuring masih teu boga kasempetan pikeun poto jeung manehna, sabab keur syuting, jadi teu bisa ribut deui. Aya momen anu lucu, kuring ngadeukeutkeun/meunang poto, salah sahijina deukeut jeung anak sutradara, lucu pisan anak sutradara oge dibawa kabawa aya adegan jeung barudak oge. nu akhirna abdi tiasa foto jeung artis a, sampe nu sejen heraneun naha kuring bisa sampe foto bareng.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6854", "text": "Tos tliu dinten ieu abdi teu ngangge kaca panon lantaran abdi poho nyimpen. Abdi tos usaha milarian di kabeh tempat di jero kamar tapi hasilna teu aya. Padahal kasur, lomari, meja, sadayana tos dibongkar tapi teu aya oge kaca panon na. Abdi tos gaduh rencana upami kaca panon kuring can kapanggih keneh kuring kapaksa bakal meser nu anyar, anu pangaosna teu mirah, wayahna lantaran butuh kaca panon pisan kanggo maca jeung diajar. Pas abdi bade angkat ka toko kaca panon abdi langsung nyandak tas kanggo mawa barang-barang. Pas nuju ngalebetkeun hape, abdi reuwas lantaran di jero tas aya kaca panon anu dipilarian ti kamari. Abdi atoh lantaran teu jadi indit ka toko kaca panon.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5601", "text": "Cara nyieun kue ulang taun tina indomie goreng. Mimiti, godog lima belas bungkus indomie goreng. Tuluy mun geus asak, eurihkeun kana baskom gede jang dibumbuan. Mun bumbuna geus kacampur rata, eurihkeun kana loyang bentuk persegi atawa buleud. Ratakeun indomie ka unggal juru loyang, ulah nepi ka aya nu kosong. Tuluy tungguan indomie nepi ka tiis supaya ngabentuk loyang. Geus tiis, tamplokeun kana baki nu kira-kira mahi. Tuluy tinggal bere tulisan selamat ulang taun dina bakina. Bere oge hiasan jiga tomat atawa cabe nu dibentuk kembang, tendeun na luhureun mie. Geus kitu bisa oge dibere lilin leutik supaya bisa dihurungkeun jeung ditiup. Kue ulang taun indomie goreng siap dikadokeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2172", "text": "Naon anu geus kaliwat geus kaliwat, jalma anu \"hirup di jaman baheula\" bakal ditangtayungan ku depresi sarta kaduhung. Jalma anu \"hirup dina mangsa nu bakal datang\" bakal salawasna hariwang. Hirup di jaman ayeuna, konsentrasi perhatian anjeun ka ayeuna. Upami abdi tiasa nyarankeun, cobian latihan meditasi. Semedi dipikanyaho ku kualitasna, tiasa ngabantosan anjeun ngatasi masalah trauma. Manggihan tempat sepi, méakkeun sababaraha waktos nyalira. Diuk lempeng tapi santai. Tarik napas jero, teras gempur nepi ka rengse. Malikan deui 3 kali. Tutup panon anjeun, teras ngambekan sacara normal tapi sadar, museurkeun perhatian anjeun kana napas anu asup sareng kaluar. Tarik napas panjang, sadar tina narik napas panjang, ngahembuskeun napas panjang, sadar yén anjeun ngambekan panjang, ngan ngalaman ambekan sareng ambekan, ulah didamel. Lamun narik napas pondok, sadar yen eta pondok, mun anjeun kaluar napas panjang/pondok, anjeun ogé bakal sadar eta. Nalika pikiran anjeun parantos ka tempat sanés, mawa perhatian anjeun deui kana napas anjeun. Mimitian 5 menit, upami anjeun tiasa manjangkeun waktos 10 menit sareng saterasna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "692", "text": "Manggih harta karun nu jumlahna gede pisan mun di duitkeun mah. Da harta karunna teh dibungkus ku kotak awi, ukuran kotakna aya meureunan sagede laptop pas nu 14 inch. Di jerona rupa-rupa aya emas, duit heubeul, jeung barang-barang antik mun diduitkeun mah meureun bisa ratusan juta. Pas mimiti manggih harta karun eta, urang bari molotot ka si Anggi nandakeun teu percaya bisa manggihan harta karun, komo deui di tempat ulin. Awalna mah ngan ukur dibuka kotakna teh, tapi pas dibawa ka imah kakara dikaluarkeun jeung eusi-eusina. Urang geus jangjian jeung Anggi jang muka harta karun teh saberes ngaji, jeung ngabejaan Anggi ulah waka ngabejaan kolot sewang-sewangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1403", "text": "Basa keur perjalanan jauh kana mobil, biasana mun hayang ngompol teh sok mampir heula ka SPBU anu kaliwatan. Harita mah bener-bener geus teu katahan hayang ngompol, asa geus diujung tanduk mah, tuluy lumpat ti mobil ks toilet SPBU. Ku bakat gura-giruna, nepikeun ka teu ditinggali tanda teh, naha eta toilet lalaki atawa jang awewe. Pas urang asup neangan tempat ngompol anu biasana aya mun di toilet lalaki mah, ieu mah euweuh. Tapi urang can ngeuh, ah da meureunan emang teu dipasang we, pikiran dina hate teh. Ari pas kaluar di toilet anu dipantoan, reuwas aya awewe nu nungguan giliran. Urang papada reuwas, oge era pisan lantaran salah asup toilet. Langsung pupuntenan da teu apal ku bakat teu ninggali heula tanda toilet. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8557", "text": "Di dieu aya sababaraha cara nu bisa mantuan nungkulan isin keur bray ngorong irung anjeun. Emut yen nyokot irung anjeun normal sareng mangaruhan seueur jalma. Teu nyebutkeun nanaon ngeunaan karakter atawa harga hiji jalma. Tong ngantepkeun ideu batur ngeunaan milih irung mangaruhan kapercayaan anjeun. Fokus kana naon anu anjeun laksanakeun sareng pikirkeun, sanes naon anu dilakukeun sareng dipikiran ku batur. Ngobrol jeung jalma nu dipercaya, kayaning babaturan atawa kulawarga, bisa nulungan ngagentos rasa isin. Aranjeunna tiasa masihan dukungan sareng ngabantosan anjeun ningali kaayaan tina sudut pandang anu beda. Coba difokuskeun hal-hal anu positip dina kahirupan anjeun sareng ulah ngantep parasaan era ngahartikeun kumaha anjeun ningali diri anjeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7591", "text": "Karek mimiti abdi mimiti cicing di kosan sorangan. Abdi ngahaja milih cicing di kosan supados leuwih dekeut ti tempat gawe lantaran imah abdi jauh pisan ka tempat gawe, kalahkah cape di jalan. Abdi ngahaja milih kosan nu ayeuna ditempatan lantaran hargana leuwih mirah tibatan di tempat anu sanesna. Tilu poe abdi cicing di dieu teu aya nanaon, tapi dinten ieu ti isuk-isuk keneh di hareup kosan kuring aya aa-aa nu cicing di kosan. Abdi ngarasa teu nyaman pisan. Sugan teh manehna bakal indit, tapi manehna kalahkah nuturkeun kuring. Ti tingkah polahna mah katingalina eta teh jelema mabok, abdi langsung nyimpang ka warung nepika aya batur. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3252", "text": "Salaku jalma anu sering nyéépkeun waktos di luar bumi, ngagunakeun jamban umum henteu tiasa dihindari. Nanging, henteu sadayana jamban umum ngagaduhan standar kabersihan anu saé. Aya toilét kotor anu teu tiasa dianggo tapi kedah dianggo.\r\n1. Mun mungkin, make korsi toilet Anjeun\r\nKusabab korsi WC umum dipaké ku loba jalma, make penjaga toilet dina korsi toilet. Anjeun tiasa nganggo pelindung korsi tisu atanapi toilét anu parantos sayogi. Pelindung korsi toilét ieu ngan ukur dianggo dina korsi toilét. Pikeun toilét jongkok, anjeun henteu kedah nganggo éta.\r\n2. Siram taliti\r\nPikeun alesan atra, aya loba kuman dina tombol siram dina korsi toilet. Bungkus ramo anjeun dina tisu toilet sateuacan mencét tombol siram. Buang tisu kana tong sampah anu disayogikeun.\r\n3. Ngumbah leungeun maké cai haneut\r\nCuci leungeun nganggo cai haneut sabab cai haneut bakal tiasa ngalawan kuman. Anggo sabun upami aya. Ngumbah leungeun anjeun sahenteuna 20 detik.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4359", "text": "Basa bulan november kamari, adi urang ngarayakeun ulang tahuna. Eweuh perayaan nanaon kusabab kabiasaan kulawarga urang emang tara pernah ngarayakeun ulang tahun. Di tambah dina poe eta, tanggal ulang tahun na adi urang kalahka geuring jeung kudu balik tiheula ti sakolaan na. Tapi ku kitu, babaturan adi urang teu poho kana ulang tahun na, barudak eta datang ka imah susulumputan bari mawa kado jeung kueh ulang tahun teu poho oge jeung lilin sarta korek api na keur acara tiup lilin na. Barudak eta datang keur adi urang euweh di imah basa eta keur di bawa ka dokter ku mamah. Barudak ieu niat pisan rek mere surprise, sendal sendal na di sumputkeun ka pipir imah motor oge di parkir jauh ti imah sangkan teu kanyahoan. Barudak eta urang sumputkeun di kamar adi urang, pas adi urang balik tuluy rek asup ka kamarna, maneh na reuwaseun pisan kusabab ujug ujung babaturan na aya didinya nyarumput tukangeun panto bari bawa kueh kado jeung nyanyi. Akhirna maranehna ngarayakeun ulang tahun babarengan di kamar na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7311", "text": "Masarakat reuwas ku kapanggihna 'harta karun' emas jeung tambaga 2 miliar ton di Gunung Dompu, Nusa Tenggara Barat (NTB). Papanggihan ieu diumumkeun dina bulan Desember 2021. Sababaraha urang teu percaya kana papanggihan ieu sabab 'harta karun' kapanggih di daerah pagunungan. Direktur PT Sumbawa Timur Mining Bede Evans ngaluarkeun pernyataan resmi anu negeskeun kapanggihna sumber daya alam anu disimpen dina peujit Bumi Nggahi Rawi Pahu. Kapala Badan Geologi Eko Budi Lelono nyebutkeun yen “harta karun” sumberdaya di wdaerah Onto, Dompu, NTB, sacara geologis nuduhkeun jenis emas anu ngendap jeung kamungkinan total sumberdaya mineral anu kawilang badag. Utamana dina bentuk emas jeung tambaga anu potensina 2 miliar ton.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2849", "text": "Kapala Staf Persidénan Jenderal (Purn) TNI, Moeldoko miboga kasempetan pikeun nyaritakeun pangalaman sapopoéna nalika nyanghareupan wartawan. Ceuk manehna \"Kuring ditanya naon anu anjeun sieun nalika ditanya ku wartawan, utamana 3 bulan kuring geus jadi KSP. Kuring teu sieun dicekel ku bedil, utamana dina bedil, éta pakasaban abdi, \" Moeldoko salah sahijina. lanjengkeun deui, “Tapi pokna wartawan mah kadang-kadang leuwih tepat, seukeut, beungeutna leuwih pikasebeleun ti nu séjén,” pokna. Tapi, Moeldoko ngaku, sanajan boga latar kasundaan jeung ayeuna aktif di PNS, manéhna ngarasa teu gampang pikeun adaptasi. Manéhna ogé ngaku yén manéhna ngarasa geus diajar loba ti wartawan. Saurna, \"Kuring bener-bener ngarasa yén tina kahirupan militér nepi ka pamaréntahan jeung kahirupan sipil sarta ogé pulitik, éta geus euweuh gampang pikeun kuring. Abdi hoyong diajar, salila tilu bulan kuring diajar, tungtungna kuring milih gawé bareng jeung babaturan wartawan\".", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2204", "text": "Bari nage babaturan bageur bisa ngarojong babaturan ngaliwatan kajadian traumatis sarta bisa nulungan urang leupas tina kabiasaan goréng, toksik atawa \"toksik\" friendships bisa ninggalkeun babaturan nu sabenerna bageur ngarasa lemes, oyag, hariwang, sarta mindeng kaluar kasaimbangan. Silaturahim unik sabab dihijikeun kana seueur aspék kahirupan urang - kulawarga urang, padamelan urang, hobi urang. Lamun urang boga silaturahim toksik, parasaan ieu bisa dirasakeun ku sakabéh wewengkon ieu na ogé. Upami silaturahim tangtu henteu nyumponan kabutuhan urang, panginten waktosna pikeun nganilai deui naha aranjeunna pantes rohangan dina kahirupan urang mangrupakeun salah sahiji cara naambeh arurang nyaho yen emang babaturan teh weweg heuteu nyipyakeun hal nu nyieun urang engkena nyesel babaturan jeung anjeunna, nu nyalamatkeun urang ti salah sahiji panyesalan boga baturan nu khianat.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7560", "text": "Jalan angkat ka kampus ti imah abdi kedah ngaliwatan rel kareta api. Lamun keur jadwalna kareta liwat, abdi kedah ngantosan heula kareta liwat. Biasana oge aya pagawe anu tugasna nutup pager supados teu aya nu ngaliwat pas kareta ngaliwat lantaran eta rel na aya di jalan umum. Tapi anehna poe ieu teu aya petugas anu cicing di dekeut rel. Teu lila aya sora kareta anu bade ngaliwat, tapi seeur keneh mobil jeung motor anu keukeuh liwat. Pas abdi nuju ngantosan di sisi jalan jol aya hiji motor anu maksakeun ngaliwat dina rel kareta. Tapi hanjakal eta motor teu kaburu ngaliwat teras katabrak ku kareta. Seeur jalmi anu tos ngagorowokan eta motor supados teu ngaliwat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "700", "text": "Pas keur di nu kawinan di gedung, urang keur ngantri di tempat dimsum. Pas giliran urang, si dimsumna teh beakeun jadi kudu nungguan heula di refill. Aya kana 5 menitan nungguan dihareupeunna, tuluy datang nu tukang jaga stand dimsumna. Si tukang jagana teh keur ngabereskeun heula ngameh babari nyokotanna. Eh pas keur dialasan, eta mah datang ibu-ibu lobaan bari jeung nyorobot antrean urang, geus nyaho urang teh panghareupna tatadi nungguan, ieu mah siga teu boga dosa langsung nyorobot. Urang ambeuk bari ngomong dina jero hate, dasar ibu-ibu kampungan teu boga pendidikan, teu boga etika antrian wae disorobot sok sangeunahna wae.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8411", "text": "Salaku perawat mah kawajiban Mita kudu kuat ningali hal-hal anu pikasieuneun jeung pikageuleuhen. Komo deui anjeunna ditugaskeun ka departemen darurat dimana penderita na teh aya mindeng datang dina kaayaan parna. Salah sahiji hal anu kudu diungkulan Mita nyaeta geuleuh ka na utah. Seueur jalma sumping ka departemen darurat kalayan karacunan sareng nyababkeun jalma eta utah. utah anu estu utah. Tadina mah Mita sok ngarasa geuleuh lamun nempo ieu. Tapi ku sabab ngarti kana tungtutan pagawean manehna sok nahan kakeuheulna. Ku lima taun pangalaman gawe, ayeuna teh manehna geus biasa ningali utah sarta henteu deui ngarasa geuleuh lamun ningali eta teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6304", "text": "Sampah dina solokan teh jadi salah sahiji hal nu kudu jadi perhatian babarengan. Mun teu diberesihan mah bakalna ngagunung jeung nyumbat aliran cai solokan. Dampak na teh bakal gede pisan, salah sahijina nyebabkeun banjir ka masyarakat sekitaranna. Masyarakat ge kudu gptong royong dina nerapkeun kaberesihan lingkungan, salah sahijina ku miceun sampah ka tempatna, ulah ka solokan. Mun solokan geus kependet ku sampah mah bakal ngajadikeun masalah nu serius. Mantakna, supaya teu banjir, biasakeun tong muang sampah ka solokan, muangna ka tempat nu geus disadiakeun. Kudu andil dina kaberesihan lingkungan teh, ulah nepi ka malah andil nyebabkeun karusakan lingkungan jeung alam.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4690", "text": "Kabeh kolot pasti nyaah ka budakna, tapi cara ngaelspresikeun yen manehna nyaah teh rupq rupa, aya anu someah jeung teu gengsi aya anu teges jeung babari ambek ka budak na. Tah didinya budak na teh sok salah ngarti mikirna yen kolot na teu nyaah kusabab ambek ambekan wae. Padahal maksud na kolot teh alus pasti hayang anu panghade na keur budakna. Kolot ambek ambekan ngajieun urang sieun di carekan teh kusabab nyaah manehna embung urang kunanaon jeung jadi jelema anu teu disiplin kana waktu, matakna lamun balik peuting kolot sok nyarekan wae, komo ka nu budak awewe kolot teh ngajaga pisan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5555", "text": "Jam tujuh beurang Indi karek indit ka bandara sabab hudangna kabeurangan. Indi kabagean pesawat nu take off jam dalapan isuk. Ti imahna ka bandara teh lumayan jauh, aya kana satengah jaman. Di jalan, Indi ngadoa supaya teu telat jeung bisa lancar. Eh singhoreng teh kena macet sabab emang hari kerja. Macet na teh panjang pisan, teu bisa diburu-buru. Indi geus sategah jam kajebak macet. Ah ieu mah bakal telat, pikirna teh. Bari rada jengkel, Indi terus-terusan ngecek saurilingna, sugan we aya nu bisa ditumpangan. Geus ja dalapan Indo masih dijalan keneh. Jam satengah salapan Indi karek nepi ka bandara, jeung heueuh we pesawatna geus take off, Indi katinggaleun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3348", "text": "Bayangkeun anjeun aya di rohangan dimana anjeun nuju diajar, di rohangan éta aya babaturan anjeun, lalaki boh awéwé. Antara lalaki jeung awewe teu aya partisi anu misahkeun anjeun sisi ku samping ti sisi lalaki jeung awewe. Di kamar ogé diuk saurang ulama anu keur méré tausiah. Di kamar teu aya nu sora iwal ti ulama anu keur ceramah, bari fokus ngadengekeun ulama, ujug-ujug kadenge sora “Duuuuuuuuttt” nu nyaring. Kabéh panon ngalih ka hiji titik dina jalma anu nyieun éta sora, sakumaha dulur di kamar hayu kaluar seuri.\r\n\r\nSedengkeun jalma anu keur seuseurian teh asa nahan kareueus anu kacida. Ulama nyoba nahan tawa, sarta nyoba kasampak normal, sanajan beungeutna beureum tina seuri.\r\n\r\nKu jalan kitu, anu nyieun sora éta budak awéwé, murid favorit kuring, paling diem, jeung pinter.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "232", "text": "Basa harita meunang undian sapedah pas acara dies fakultas, urang maju kahareup bari dikeprokan ku nu sejenna. Tuluy geus naek ka panggung urang dibere mic jang ngomong intina nganuhunkeun jeung mere harepan kanggo fakultas kahareupna. Lajeng urang turun bari ngadorong sapedah, basa turun di panggungna mah diangkat sapedah teh, tapi beurat. Teu lila acara ditutup, urang jeung babaturan kaluar. Di luar geus ngadaragoan babaturan ngucapkeun wilujeng bari nyabakan sapedah. Sapedah ieu jenis sapedah gunung, merk Pacific. Tungtungna urang balik ka asrama teh teu make transportasi kampus, tapi ngaboseh sapedah. Karasa pisan capena sabab ti fakultas urang ka asrama trekna teh rada nanjak. Ku kituna pas aya tanjakan urang turun bari ngadorong.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7493", "text": "Pas nuju begadang peuting-peuting abdi jol ngadangu aya sora awewe ngagorowok di luar. Abdi langsung reuwas jeung sieun lantaran gorowokanna teh tarik pisan sabari aya sora jalmi anu ngagabrug. Abdi asalna hoyong mastikeun ka luar, tapi lantaran sieun bisi kalahkah janten korban abdi ningal ti jandela sabari ngagugahkeun bapa. Pas tos sababaraha menit aya sababaraha bapa-bapa anu kalaluar. Eta awewe dikekeupan sabari ditodongkeun peso dina beheungna, sabari ngancem saha wae anu ngadekeut bakal maehan awewe eta. Manehna oge sababaraha kali ngalungkeun batu ka jalmi anu bade nulungan. Abdi oge hampir beunang, teras langsung dititah asup ka imah lantaran bahaya. Tapi abdi karunya ka awewe eta. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2198", "text": "Kuring geus gagal nikah ex kuring dua kali saméméh. Bobogohan 5 taun 2 kali perencanaan nikah. Gagal kahiji: Anjeunna ragu naha anjeunna tiasa hirup dina hateup anu sami sareng minantu. Sieun teuing kana caritaan jalma-jalma di sabudeureunana yén hirup jeung mitoha téh siga film horor. Yén minantu awéwé kasampak alus dina mimitina, sanggeus nikah bakal robah jadi monster. Malah kuring capé ngajelaskeun sagalana, manéhna tetep nolak. kulawarga nambahan urang geus patepung. Waktu éta kulawarga geus sapuk pikeun nangtukeun bulan jeung taun. Saatos éta, anjeunna ngan ngungkabkeun sadayana ka kuring. Tungtungna kuring nyerah sareng langkung milih putus. Abdi lewih milih bareng jeung indung kuring.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5662", "text": "Macet jadi salah sahiji hal nu dihindari pisan ku masyarakat sabab bisa nyieun jengkel ku nungguan lilana. Salah sahiji penyebab kamacetan teh nyaeta lobana mobilitas kandaraan nu beraktivitas sapopoe. Teu jarang ayeuna mah masyarakat leuwih milih marake kandaraan sorangan tibatan make kandaraan umum, alesan na teh supaya teu kena macet. Padalah hal eta teh jadi salah sahiji penyebab kamacetan nu paling umum di mana-mana. Tah, supaya bisa ngurangi kamacetan, leuwih alus mun dibiasakeun make kandaraan umum, kurangan make kandaraan sorangan-sorangan. Ku kitu, mobilitas kandaraan bakal saeutik ngurangan, tuluy kandaraan umum na ge bakal leuwih gancang ka tujuan sabab ngalerai kamacetan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2840", "text": "Pasti bakal loba runtuyan tips 1,2,3 nu bakal diwaler. Janten punten naroskeun éta. Gugup sareng kasieunan aya kusabab pamikiran \"kuring bade ngalakukeun anu salah?\" atawa. Lain overthiking. Éta saé. Kusabab éta normal. Anjeun oge manusa, bener? Ku kituna teu kunanaon mun ngarasa kawas éta. Aya ogé anu ngajelaskeun di awal kumaha perasaan anjeunna nalika anjeunna nangtung di panggung. Contona, hapunten sabenerna nalika kuring nangtung di dieu kuring rada gugup pikeun nyanghareupan Bapak-bapak. Tapi kuring nyobian nepikeun hasil presentasi kuring. Hatur nuhun pisan kana apresiasina. Dina presentasi. Laksanakeun saolah-olah anjeun hoyong ngajelaskeun ngan hiji jalma supados anjeunna ngartos kecap anjeun. Anjeunna ngartos sareng ngabantosan naon anu anjeun terangkeun ka anjeunna. Rarasaan ieu ngajadikeun urang bener-bener diajar. Pilih kalimah basajan. Pikeun dipedar. Ulah neuteup aranjeunna dina panon. Kontak panon kalana teu kunanaon. Tapi lamun gugup teuing bisa nempo dahi na hehe.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7540", "text": "Tos hiji poe ieu abdi teu acan balik ka imah lantaran abdi ngaleungitkeun motor bapa. Padahal eta teh motor anyar pisan kamari. Abdi asalna mah ngan bade nyobian hungkul kumaha motor anyar teh. Tapi pas nuju parkir di Alfamart motorna leungit dibawa ku batur. Motor eta rada benten sareng motor biasana lantaran koncina make smart key janten teu tiasa dicongkel, abdi masih yakin keneh eta motor masih aya di sabudereun Alfamart. Abdi menta tulung ka rerencangan abdi anu polisi sugan we tiasa neangan eta motor. Bapa tos naros motor aya di mana lantaran isuk bade dipake, tapi abdi moal ngawaler sateuacan motorna kapanggih.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4669", "text": "Artis karesepan urang nyaeta artis korea, ngarana teh Jungwoo. Keur mimiti debut maneh na sok ceurik unggal rek naek panggung, padahal maneh na geus ngausahakeun latihan unggal poe. Latihan nari jeung latihan nyanyi, sanajan geus latihan nepika bisa tapi mun ngarana demam panggung mah kadang sok ka rasa wae, komo mun kakarekeun mah pasti lewih parah karasana. Buktina si junwoo nepika ceurik, geus di dandan geus tinggal naek panggung, awakna ngadedeg nepika leles teu bisa nari. Pas nyanyi ge sorana teh teu sa alus pas latihan, tapi anggota nu sejen ngabantuan merekeun sumanget meh si jungwoo rada tenang saeutik, tapi berhubung teu bisa tenang masih keneh panik jeung ngadegdeg nepika mual, jadina si jungwoo di bere obat. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7235", "text": "Saminggon ieu abdi ngarasa lieur lamun ningal tulisan anu seeur dina buku. Lamun ninggal jalmi ti jauh oge sok teu katempo. Lila-lila abdi teu tiasa ningal, teras abdi datang ka dokter supados diparios soca na. Dokter masihan terang yen abdi kedah ngangge kaca panon, padahal abdi masih keneh kelas tilu SD. Kaca panon anu abdi anggo oge kandel pisan. Dokter oge ngomong yen abdi moal tiasa ningal normal lamun teu nganggo kaca panon jeung unggal taun kedah diparios rutin jeung kamungkinan bakal nambah deui kandelna. Tapi aya hiji cara supados abdi teu kedah nganggo kaca panon deui nyaeta operasi lasik.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4357", "text": "Hamil sacara biologis nyaeta kaayaan dimana aya embrio atawa zigot anu mulai napel dina jero rahim hasil pembuahan sel telur atawa ovum ku sperma. Ku ayana sesuatu na jero rahim awewe pasti jadi loba alu bakal berubah dina awak awewe salian ti fisik na atawa awak na anu ngke bakal ngagedean jeung anu pastina hormon oge bakal loba berubah anu bakal ngajieun kabiasaan jeung sifat perilaku awewe bakal oge berubah. Hal mimiti anu bakal kaciri aya parubahan nyaeta hormon, hormon jelema anu keur eusi pasti naek turun teu stabil. Matakna tong reuwas lamun mimiti hamil biasana jadi leuwih sensitif babari ceurik jeung sajabana. Salaki na lamun keur kitu ulah miluan kawas kitu, tapi kudu ngajaga jeung ngadukung pamajikana", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5924", "text": "Basa nuju wengi kamari mah abdi ngimpi meuni asa sieun pisan. Ngimpina keur di tengah leuweung tuluy diudag-udah ku jelema nu rek ngabegal di jalan. Pas di tengah leuweung teh asa sasah pisan lulumpatan. Pas ngalieuk ka tukang, jol leungeun aya nu narik. Geus kitu didiukkeun paksa dina handapeun tangkal bari leungeun ditalian. Tuluy dihareupeun abdi aya jalma jahat nu nodongkeun senjata mangrupa pistol kana mastaka abdi. Abdi meuni sasah pisan, kacida sieunna sabab asa nyaan. Pas keur sisieunna, jol kadangu adzan subuh. Tuluy abdi gugah bari satengah deg-degan keneh ku ngimpi eta. Alhamdulillah ngan ngimpi, sanes kenyataan nu mantak sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8918", "text": "Waktu keur leutik, kuring milu lomba nyanyi di sakola, disaksian ku kolot-kolotna. Sabenerna kuring teu hayang indit, tapi ceuk guru kabeh murid kudu milu. Nalika kuring di panggung, ujug-ujug awak kuring kaku, baham kuring ogé teu tiasa nyarios nanaon. Panon kuring mencrong ti katuhu ka kenca néangan bapa. Nyadar kuring kieu, bapa kuring ujug-ujug ngadeukeutan kuring sareng ngiringan kuring di panggung. Bapa nangkeup kuring bari ngalilipur, \"Tong sieun, bapa aya di dieu.\" cenah. Bapa ngartos pisan kahoyong kuring, anjeunna langsung ngagentos pamuter piano, sareng ngiringan kuring nyanyi. Kuring nganuhunkeun pisan gaduh bapa sapertos bapa kuring. Hatur nuhun pisan ka bapa, abdi tiasa nyanyi dugi ka rengse eta lagu teh. Sanggeus éta bapa kuring datang ka kuring jeung mawa kuring reueus.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2142", "text": "Ahir-ahir ieu, loba omong ngeunaan PHK. Malah terminasi pagawean ieu lumangsung dina skala badag. Ningali ancaman PHK anu tiasa lumangsung. Persiapan ieu sanés ngan ukur kanggo pagawé tapi pikeun pamilik usaha anu tiasa nyanghareupan résiko macet usaha.\r\nPersiapan di handap ieu tiasa dilakukeun pikeun ngatasi résiko PHK:\r\n\r\n1. Boga panghasilan samping\r\nBenny nyarios, gaduh panghasilan samping mangrupikeun cara anu pinter pikeun mastikeun kaayaan kauangan anjeun dijaga di tengah sagala rupa ancaman. Sanajan niléy panghasilan samping teu sabagé panghasilan utama, bisa méré rasa aman tina ancaman saperti kaleungitan pagawéan alatan PHK.\r\n2. Nyadiakeun dana darurat\r\nSamentara éta, dana darurat ieu ngan bisa dipaké pikeun kaayaan darurat kayaning kacilakaan atawa gering parna, sarta ieu kaasup leungitna dadakan panghasilan, salah sahijina alatan PHK. Jumlah anu disarankeun pikeun dana darurat ogé béda-béda, pikeun anjeun anu jomblo atanapi henteu gaduh tanggungan, éta 3-6 kali biaya bulanan anjeun. Sedengkeun pikeun anu geus boga kulawarga, jumlah dana darurat anu dibutuhkeun 6-12 kali lipat tina waragad bulanan", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "794", "text": "Nyieun Surat Ijin Mengemudi (SIM) dipersulit. Ieu geus jadi rahasia umum mun nyieun SIM dipersulit. Ti mimiti tes na, nepikeun ka jadina oge hese. Pernah basa eta geus lulis uji tes, sanajan gagal sababaraha kali jeung kudu ngulang deui, tapi akhirna lolos. Pas rek nyokot SIM ku jadwal nu geus ditangtukeun ku petugas, urang dititah balik deui, bejana mah can aya. Beda deui jeung nu nyogok mah, sapoe ge jadi teu kudu tes jeung teu kudu nungguan mangbulan-bulan, langsung difoto didinya keneh. Nepikeun baheula adu argumen jeung petugasna lantaran ngarasa dipermainkeun, naha geus euweuh jelema nu jujur teh? Meuni rek nyieun SIM oge hede, padahal ieu usaha urang meh taat pas keur di jalan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1361", "text": "Ngaberesihkeun kotoran ucing mangrupakeun hiji kawajiban nu penting dilakukeun sanajan urang ngarasa geuleuh. Lantaran mun ngaberesihkeun kotoran ucing urang bisa nyegah penyebaran panyakit, kotoran ucing bisa mengandung bakteri, virus, jeung parasit nu bahaya jang kasehatan jelema. Lamun teu dibersihkeun kotoran ucing bisa nyebar ka permukaan sejen jeung nyebarkeun panyakit. Kotoran ucing nu teu diberesihkeun oge bisa nimbulkeun bau anu teu ngeunah. Kotoran ucing nu ngagunduk oge bisa jadi sarang bakteri jeung bauna beuki kuat. Kotoran ucing nu diantepkeun ngagunduk di lingkungan oge bisa ngaruksak lingkungan disabudureunna. Kotoran ucing nu loba teuing bisa ngotoran cai jeung taneuh, sarta ngaruksak kaendahan lingkungan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8413", "text": "Perasaan utah nalika ningali batur teh tiasa janten selingan tina masalah anu sanes. Gangguan anu anjeun karasa seueul sareng utah nalika anjeun nguping atanapi ningali batur tiasa disababkeun ku gangguan psikosomatik. Gangguan psikosomatik teh mangrupikeun panyakit anu disababkeun ku seueur teuing pikiran anu lumangsung. Gangguan dina pikiran ieu ngabalukarkeun reaksi dina awak. Contona, pamikiran ngeunaan hiji hal kaleuleuwihan bisa ngabalukarkeun keluhan kayaning palpitations, kesangan, tremor awak. Panyakit psikosomatik mah biasana henteu mendakan abnormalitas dina awak, ngan ukur pikiran anu kaleuleuwihan nyababkeun awak ngarespon kana pamikiran ieu. Sacara umum, kasakit psikomatik disababkeun ku pemicu nu patali jeung pikiran, moods jeung kaayaan mental.\n\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2454", "text": "Dumasar kana katerangan ieu, tétéla yén rikaz miboga kritéria anu tangtu sangkan henteu sakabéh barang anu kapanggih (digali) bisa digolongkeun kana rikaz. Lajeng, kumaha upami hadiah? Dina pamanggih kuring, 1. hadiah anu anjeun kéngingkeun sanés hal anu anjeun mendakan tapi kado atanapi hasil tina usaha anjeun. 2.Saméméh meunang hadiah, anjeun digawé teuas pikeun nyumbangkeun pikiran jeung waktu sangkan ahirna anjeun kapilih jadi salah sahiji juara. 3.Sanajan aya sababaraha ulama anu nganggap hadiah kompetisi salaku manggihan harta karun (rikaz), kuring condong boga pamadegan yén duanana mangrupakeun dua hal béda. Jadi zakat anu kudu di bayar teh lain zakat rikaz 20%. Masalah saterasna, upami teu kalebet kana kategori rikaz, naha kado teh teu wajib zakat? Kado dina bentuk laptop atawa barang sarupa anu dimeunangkeun lain kategori harta wajib zakat lamun digunakeun pikeun kapentingan pribadi, lain jadi komoditi usaha.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7244", "text": "Ieu caritana basa Atta Hailintar nuju datang ka bumina Raffi Ahmad. Asalna mah maranehna teh ngobrol biasa sabari dipidiokeun, Atta oge sempet masak emih kanggo Raffi jeung pamajikanna. Tapi sabenerna Atta tos nyiapkeun prank kanggo Raffi, manehna tos nitah dua jalmi kanggo janten pulisi bobodoan anu bakal newak Raffi lantaran manehna kantos ditewak pulisi lantaran kasus narkoba. Pas Raffi jeung Atta nuju ngobrol, pulisi gadungan datang mawa surat kanggo newak Raffi, Raffi langsung geumpeur lantaran manehna geus beresih tina narkoba, komo pamajikanna, Nagita anu langsung nyeseulan pulisianu bade mawa Raffi. Pas geus lila, pulisi eta masiha tulisan yen ieu teh ngan bobodoan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1032", "text": "Keur leutik jadwal ngaji teh sok saberes magrib, jadi balikna teh jam 8-nan. Jam 8-nan teh peuting pisan di kampung mah, batur geus ngarampih ka imahna sewang-sewangan. Imah urang kaasup nu paling jauhna, eta oge mun balik ngaji sok dibarengan ku si Yusuf tapi lantaran imah si Yusuf mah leuwih deukeut jadi kudu papisah. Di jalan urang ngaliwatan jembatan anu sisina teh walungan, emang didieu rada keueung, ditambah cai walungan anu ngaririncik. Geus ngaliwatan jembatan eta teh aya rasa teu genah hate teh hayang ninggali deui ka tukang. Lantaran panasaran tuluy ninggali ka tukang, reuwas kacida ninggali jurig nu keur diuk. Urang langsung balik badan tapi teuing ku naon teu bisa lumpat ngan saukur bisa leumpang, dina hate teh bari ngucap Astagfirulloh sapapanjang jalan nepikeun ka imah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9191", "text": "Bapa abdi jalmina teh hilapan. Hiji poé kuring ngabungkus sangu jeung lauk keur dahar beurang bapa. Kuring hilap ngingetan bapa supados nyandak tempat bekel anu geus kosong ka imah, sareng bapana ogé hilap nyandak éta ka bumi. Sanggeus saminggu, karek dibawa ka imah. Waktu éta kuring rék ngumbahan, kuring muka tutpna, kuring reuwas sabab bapa kuring henteu bérés daharna, aya sesa keneh. Jeung sesa dahareunna teh geus busuk jeung bau, jeung warnana oge geus robah. Waktu harita kuring hayang utah ngambeuna teh, malah hayang ceurik, tapi lamun eta tempat bekel teu dikumbah bakal bau leuwih parah. Tungtungna kuring nahan napas bari ngumbah teh, ku kuring dikumbah tilu kali ku sabun jeung dibilas sababaraha kali. Saprak harita kuring teu hayang deui mekelan dahareun keur bapa.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5571", "text": "Tilu hal nu kudu diperhatikeun mun urang keur ngobrol jeung babaturan, komo mun amprokna kakarekeun deui ti sabarang lulus sakola. Nu kahiji nyaeta jauhkeun nu ngaranna hape, teundeun heula hape dina jero tas. Ulah nepi ka nempoan hape saban keur ngobrol, hargaan babaturan urang. Nu kadua nyaeta simak obrolanna, ulah nepi ka kalah ngahuleng atawa kaluar tina obrolan. Hargaan sabab teu apal iraha deui bisa amprokna. Nu katilu nyaeta tong poho fofotoan heula supaya aya dokumentasi jang kenang-kenangan. Foto ge saperluna, mun bisa kabeh babaturan ilukeun, supaya karasa kabersamaan nana. Tuluy kesampingkeun heula urusan nu sejen. Hargai deui quality timena.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3010", "text": "Kuring geus kungsi. Janten dina waktos éta kuring dina posisi biasa kuring maén dina ponsel kuring sareng ngobrol sareng sababaraha réréncangan. Sanggeus éta kuring indit ka indung kuring di kamar nya pikeun paguneman normal. Sababaraha menit ti harita kuring ngarasa teu damang, suasana robah. Waktu éta indung kuring rék kaluar ti kamar mawa hiji hal, ujug-ujug kuring ngarasa sieun luar biasa, kawas posisi indung kuring jauh jeung posisi nya kawas kuring bener sorangan. Kuring ngarasa kuring bakal maot pas sareng didinya sareng kuring ngajerit pikeun indung kuring kusabab sieun pisan. Awak mah capé, késang, hésé ngarénghap. Indung kuring panik tuluy ngajak kuring ka ruang tamu jeung nitah kuring nginum cai tuluy indung kuring nyobaan ngurut leungeun kuring. Kuring henteu terang naha leungeun kuring karasa peurih, kuring henteu ngarasa nanaon dina pikiran kuring dina waktos éta, kuring bakal maot. Sareng indung kuring mimiti ngadoakeun panginten panginten kuring kasurupan atanapi naon waé. Sakedapan, suasana rada tenang, tapi kuring masih leuleus, kuring nyobaan bobo sareng ibu kuring.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8471", "text": "Siti geus kapok birit. Anjeunna sering diare kusabab henteu merhatikeun tuangeun anu didahar. Nalika meuli dahareun manehna merhatikeun saeutik malah teu merhatikeun kabersihan dahareun anu bade dibeuli. Ayeuna manehna mindeng nginget-nginget dirina pikeun salawasna merhatikeun kadaharan anu bakal dibeuli. Salian ti ngingetkeun sangkan merhatikeun kabersihan dahareun, ayeuna bakal ngarasa jijik lamun ningali kadaharan anu kotor, utamana kadaharan anu dijual di sisi jalan. Siti geus nyaho jeung ngarti yen kadaharan ieu pasti bisa ngabalukarkeun diare. Anjeunna ningali geuleuh na kana dahareun salaku mekanisme awakna pikeun nyingkahan serangan diare anu sanes. Manehna bakal terus ngarasa geuleuh kana kadaharan anu kotor sabab geus cape diare.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7553", "text": "Pas abdi nuju di kaayaan anu hese pisan dina hirup, abdi pernah ngarasa hampir ngarasa peunggas harepan lantaran tos sababaraha poe ieu abdi teu meunang solusi tina masalah anu kuring sanghareupan. Abdi oge nyanghareupan masalah ieu sosoranganan hungkul, teu aya jalmi anu ngarti ka kuring, teu aya oge hiji-hiji acan jalmi anu ngarti kondisi kuring, rek carita oge eweuh sasaha, kabehna sibuk ku urusan masing-masing, Abdi mineng pisan ngarasa sorangan eweuh batur sanajan aya di tengah-tengah jalmi anu seeur. Pernah hiji poe abdi ngarasa beurat pisan nepikeun ngarancanakeun kanggo ngagantung diri urang sorangan di kamar cai, tapi teu jadi lantaran sieun keneh ku kahirupan saatos urang maot engke. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6968", "text": "Ti SMA keneh abdi gaduh cita-cita hoyong diajar masak sangkan tiasa janten tukang masak anu profesional. Hampir unggal poe oge abdi diajar masak pasakan anu anyar. Pas bade kuliah, bapa nyarankeun abdi kuliah di jurusan anu bakal gampang meunang gawe jeung gajina bakal gede. Tapi abdi hoyongna kuliah masak deui. Tapi bapa nyarankeun yen lamun bade diajar masak mah tiasa kursus ngke lamun tos gaduh padamelan sorangan. Tungtungna bapa nyakolakeun abdi di sakola masak anu biayana awis, nepikeun bapa nambut artos ka bank. Tapi di tengah kuliah abdi dikaluarkeun ti sakola lantaran tara asup sakola. Pas apal, bapa langsung ambek pisan lantaran abdi teu ngamangpaatkeun kasempetan ti bapa. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4361", "text": "Sangking penting na momen ulang tahun rumaja nepi ka aya istilah sweet seven teen. Perayaan ulang tahun ka tujuh belas biasana gede gedean heboh jeung mewah, kusabab angka 17 di anggap angka awal menuju dewasa na budak. Soalna sagala surat suratan di indonesia bisa di jieun lamun geus dewasa di mulai ti umur tujuh belas tahun. Perayaan jeung surprise ulang tahun anu ka tujuh belas biasana aya anu di rayekeun leuwih ti sakali. Babaturan na oge pasti nyiapkeun surprise anu super spesial lamun di ulang tahun anu ka tujuh belas. Biasana babaturan na geus kerja sama jeung kolot atawa kulawarga na anu lain keur ngajailan anu ulang tahun samemeh surprise na, sangkah suprise na leuwih berkesan istimewa jeung moal di pohokeun jadi kudu di jieun rapi ameh ekspresi reuwas jeung bungah na nepi ka nu lain oge.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4704", "text": "Gejala fobia sieun jarum muncul nalika aya jalma anu langsung nungkulan hal-hal anu bau medis, khususna anu ngalibetkeun jarum. Samemeh perawatan medis dimimitian, sababaraha gejala sieun jarum biasana bakal muncul, saperti pusing, kahariwang, kesang tiis, kahariwang, jeung bisa oge pingsan. Gejala ieu bakal nyababkeun panurunan dina tekanan darah sareng paningkatan denyut jantung samemeh prosedur medis dilaksanakeun. Kasieunan atawa phobia ieu sabenerna bisa di lawan tapi keur anu ngalaman na pasti hese pisan. Jelema anu boga phpbia atawa kasieun lamun di suntik pasti sieun lamun geus ngarasa teugeunah awak soalna bisi di suntuk, soalna keur dewasa metode pengobatan na biasa na leuwih sering di suntik tibatan nginum obat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1394", "text": "Teuing ti mana mimitina, bet bisa cakcak teh resep kana kopi hideung. Mindeng urang manggihan kopi nu geus diantepkeun teh kalakah aya cakcak dijerona. Hiji waktu mah kaalaman ku urang sorangan, lantaran harita teh pas keur ngopi urang kaburu dititah ka warung jang meuli rencang sangu. Sanajan kopina geus tiis, tapi sabab loba keneh jadi rek dipiceun teh lebar. Pas ku urang diinum teh, urang ngarasa aya tekstur dina kopi anu teu biasa. Pas cakcak eta geus antel kana lambey urang, ku urang langsung diutahkeun deui cai kopi nu geus asup kana baham. Urang langsung indit ka toilet jang kekemu ngarah baham teu sebel.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5992", "text": "Rata-rata jalmi mun keur maen di wahana cai teh sok sieun tilelep. Mantak biasana ngahindari permainan cai, komo nu potensi tilelepna tinggi mah. Padahal, aya alat bantu nu ngaranna pelampung jang ngabantu ngambang dina cai. Jadi, mun teu bisa ngojay teh bisa tenang sabab kabantu ku pelampung, jadi moal mungkin nepi ka tilelep. Ngan, kade oge, palampung na kudu sasuai jeung standar, ulah nu ngasal wae. Kudu nu bener sasuai aturan supaya bisa ngambangkeun awak dina cai masing alus. Atawa bisa oge ku nyobaan diajar ngojay, keureuyeuh ti leuleutik supaya geus gede boga kamampuan ngojay nu memadai. Yuk cobaan biasakeun olahraga cai supaya teu sieun tilelep.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3314", "text": "Ningali kadaharan anu leueur atanapi berjamur kadang ngajadikeun urang seueul sareng jijik. Tapi ulah salah, para ahli ngungkabkeun yén rasa jijik anu urang rasakeun éta saé pikeun awak. Alesanana, geuleuh dianggap respon évolusionér anu bisa ngajaga awak tina patogén jeung inféksi lianna. Disgust sabenerna mangrupa émosi nu mucunghul ngajaga awak tina kasakit atawa inféksi. Éta téh bagian tina évolusi anu kacida kolotna,\" jelas panalungtik kontrol kasakit Val Curtis ti London School of Hygiene & Tropical Medicine, dilaporkeun ku Science Alert, Senén (4/6/2018). \"Siji nalika ningali hiji hal nunjukkeun émosi anu terstruktur. , Ku kituna lamun awak ngakuan \"ancaman\" eta bisa ngabales anceman ngaliwatan geuleuh sarta ngajaga urang tina noel eta. Éta mangrupikeun réspon pelindung diri.\" Pikeun meunteun bentuk jijik anu paling umum tina sudut pandang ngahindarkeun panyakit, para ahli naliti langkung ti 2,500 urang.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8178", "text": "Seueur jalmi nu sieun kana jurig. Upami sieun kana jurig tiasa nyieun percaya diri urang ngirangan komo keur pueting atanapi keur aya di tempat nu kasebat angker. Aya cara-cara nu tiasa dilakukeun ikeun ngurangan bahkan ngubaran rasa sieun urang ka na jurig. Cara mimiti nyaeta ngalawan rasa sieun ka jurig ieu, upami tos sieun atanapi ngalaman fenomena supranatural tong langsung ngacir lumpat kusabab sieun, nanging cobi usaha supados tetep di tempat. Upami tos wani cicing di tempat atanapi teu lumpat, saterasna teangan informasi logis perkawis naon nu dirasakeun atau dialaman. Kusabab tiasa wae naon nu urang sangka teh teu sapertos kanyataanna, pasti aya penjelasan nu asup akal. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8431", "text": "Nalika urang ningali tai sapi di tengah jalan sacara emosional, emosi geuleuh bakal langsung ngalir kana awak. Urang lajeng bakal nyoba tetep jauh ti lokasi tai sapi nu urang ngahaja tincak. Sababaraha urang tiasa nyobian nutupan irung sareng sungut urang. Lamun emosi geuleuh urang ngarasa kuat teuing, eta oge mungkin pisan pikeun urang utah. Tanggapan timbul kusabab naluri. Émosi geuleuh mangrupikeun salah sahiji fitur adaptasi kana ancaman patogen. Pikeun anu henteu terang, patogen tiasa disebatkeun salaku agen atanapi organisme anu ngagaduhan peran nyababkeun panyakit. Ku kituna wajar lamun urang ngarasa geuleuh lamun ningali tai sato sabab eta naluri alamiah manusa.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9534", "text": "Rizka nyaeta ibu rumah tangga anu boga kahayang meuli mobil idaman kulawargana. Najan kitu, manehna nyaho yen manehna teu boga cukup duit pikeun meuli mobil nu dipikahayangna. Lantaran kitu, anjeunna mutuskeun pikeun ngamimitian nambung sacara serius. Rizka mimiti ngatur kauanganna leuwih ketat deui, ngahemat duit unggal bulan jeung neangan cara pikeun nambahan panghasilan kulawarga. Anjeunna oge mimiti maca buku ngeunaan kauangan sareng kumaha carana ngatur kauangan kulawarga kalayan bijaksana. Sanggeus sababaraha bulan, Rizka mimiti ningali hasilna. Tabunganna beuki nambahan, sarta manehna ngarasa leuwih deukeut kana cita-citana pikeun meuli mobil impian kulawargana. Tungtungna, sanggeus sababaraha taun nabung, Rizka akhirna meunang hasil ti ngahemat duit pikeun meuli mobil impian kulawargana. Anjeunna ngarasa bagja pisan sareng gumbira yen anjeunna parantos ngahontal tujuanana. Kulawarga Rizka oge bagja pisan sabab ahirna bisa boga mobil idaman anu sok diimpi-impikeun. Maranehna ngarasa nganuhunkeun pisan kana kasuksesan Rizka dina ngatur kauangan kulawarga jeung ngahontal cita-citana. Rizka oge ngarasa bangga ka dirina sorangan lantaran geus bisa ngahontal hiji hal anu diimpi-impikeun salila ieu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2954", "text": "ngan inget hiji hal, yén siksa Alloh téh kacida nyerina disiapkeun pikeun jalma anu ngalanggar aturan agama Allah. Dawuhan Allah Ta'ala (artina): \"Sing saha jalma-jalma anu ngalanggar parentah Rosul kudu sieun ditimpa cobaan atawa ditimpa siksaan anu pedih\" (QS. An Nuur: 63) Anu matak nyeri tina siksaan Alloh nyaeta kacaritakeun dina Al Qur'an yen syetan ngadawuh: “Satemenna kuring sieun ka Allah. Jeung Allah kacida beurat siksa-Na.” (QS. Al Anfal: 48).\r\nSareng urang kedah sieun kana naraka Allah, anu pikasieuneunana teu tiasa dibayangkeun. Dawuhan Alloh Ta’ala (maksudna): “Hé jalma-jalma nu ariman, jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina seuneu naraka nu suluhna manusa jeung batu; ngajaga malaikat-malaikat anu kasar, tangguh, anu henteu ingkar ka Alloh kana parentah-Na ka maranehna sarta salawasna ngalakonan naon anu diparentahkeunana.” (QS. At Tahrim: 6).", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7304", "text": "Abdi teu percaya kanu ngaranna harta karun lantaran eta mah carita baheula anu moal mungkin aya di jaman ayeuna. Tapi rerencangan abdi keukeuh yen di dekeut imahna aya jalmi anu ngahaja nyimpen harta karun anu tos disimpen ti sapuluh taun katukang. Manehna oge tos nyepeng peta harta karun anu dipasihan ku akina. Eta peta teh tiasa dibuka pas manehna yuswa dua puluh taun. Ayeuna manehna tos dua puluh taun, manehna teu sabar kanggo ngabuka eta harta karun. Urang sasarengan maca eta peta anu tos sapuluh taun teu dibuka. Di titik anu dituduhkeun dina peta urang langsung ngagali teras nimu aya hiji kotak badag, eusina nyaeta emas murni sareng poto manehna pas leutik keneh. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "628", "text": "Pas masih ngora keneh mah resep pisan nongkrong teh jeung babaturan sakampung, unggal poe teh balik jam 2 atawa jam 3. Sedengkeun sare subuh, hudang deui jam 6 da kudu berangkat ka sakola. Tungtungna ku sabab mindeng teuing gadang, kurang sare, ditambah oge kurang olahraga jadi mibogaan panyakit. Geus apal kitu mah urang tara gadang deui, sabodo teuing ku babaturan ditinggalkeun mah, ayeuna mah hayang fokus ka diri sorangan, da mun lain ku urang sorangan ku saha deui. Pas reuwas divonis kitu, pasti nu dibejaan tiheula mah kolot sorangan lain ka babaturan. Jadi ayeuna mah leuwih ngahargaan kana kahirupan anu sementara ieu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2498", "text": "Almas Lutfia Hasna teu nyangka meunang hadiah istiméwa ti Gubernur Jawa Tengah Ganjar Pranowo waktu ilubiung dina bubuka Kabudayaan Akademik jeung Kemahasiswaan pikeun mahasiswa anyar UIN Saifuddin Zuhri, Senén (22/8/2022). Lantaran mahasiswa Kalbar éta meunang hadiah berupa SPP dua semester ti Ganjar Pranowo. \"Tadi abdi dibantuan mayar SPP dua semester. Abdi bingah pisan, hatur nuhun, khususna ekonomi keluarga (kecukupan),\" ceuk Almas waktu patepung di UIN Saifuddin Zuhri. Mimitina Ganjar anu méré motivasi ka mahasiswa anyar, ngajak mahasiswa luar Jawa ngacungkeun leungeun. Ti harita Ganjar neuteup ka Almas, langsung miwarang putri kolot transmigran naék panggung. \"Kuring lahir di Cilacap, waktu kuring kelas 3 SD, kolot kuring transmigrasi ka Kalbar. Di dinya kolot kuring melak sawit,\" pokna ka Ganjar.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7478", "text": "Basa SD, abdi kaasup jalmi anu eraan. Komo lamun dititah nangtung dihareupeun seeur jalmi. Abdi kirang pede lantaran seiun diseungseurikeun atawa dipoyok ku batur. Hal ieu teh sebabna lantaran abdi teu biasa tampil di hareupeun seeur jalmi, matak langsung sieun ningal seeur jalmi anu ningalikeun urang. Pernah hiji waktos abdi dititah tampil kahareup maca pidato. Abdi sieun lantaran can pati apal kana pidatona, abdi oge sieun bisi hilap bade ngomong naon pas tos di hareup. Ningal batur anu salah oge abdi beuki sieun. Komo ningal batur dipoyokan ku nu sanes, abdi ngabayangkeun lamun abdi nu di poyok padahal anu kajadian ka batur can tangtu kajadian ka urang oge. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6344", "text": "Mun bulan puasa mah abdi teh tara pisan kaliwat ngalaksanakeun sholat taraweh. Biasana sok di masjid deukeut imah supaya warawuh. Harita mah abdi keur rokaat terakhir sholat taraweh, beuteung teh asa kukurubukan pisan. Teu ngeunaheun dibawa kukumaha teh. Pas keur sujud terakhir, abdi kalepasan hitut meuni tarik pisan. Duh eta geus ditatahan ge da angger teu bisa dikontrol. Beres sholat teh ibu-ibu marelong ka arah abdi, abdi meuni isin pisan. Tah, mantak mun rek sholat taraweh, mun hayang hitut mah buru-buru we ka jamban heula supaya bisa langsung wudu deui, jadi moal ngabatalkeun sholat nu keur dilaksanakeun jeung deuih moal isin!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5566", "text": "Basa nuju ngahadiran seminar, abdi teu kahaja amprok jeung babaturan basa kuliah. Seminar na teh ngeunaan kasehatan mental nu dilaksanakeun na di Universitas Pendidikan Indonesia. Abdi amprok babaturan abdi nu namina Mila. Basa kuliah teh abdi kamana-mana pasti sareng Mila, ngan pas lulus anjeunna damel di Jakarta, jadi acan amprok deui tos dua taunan. Mila ayeuna mah beda pisan, jadi geulis pisan, rapih, pokokna mah glow up we. Tapi angger bageurna mah sarua jeung basa kuliah, teu miceun jeung teu sombong. Mila teh damel di salah sahiji perusahaan bidang kauangan di Jakarta. Abdi seneng pisan sabab bisa teu kahaja amprok jeung anjeunna nu sibuk pisan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2575", "text": "Macet deui lumangsung di jalur Puncak, Bogor, Jawa Barat. Teu saeutik warga nu rék mudik kudu macét nepi ka welasan jam.\r\nSalah sahijina nyaéta Ayy Indri (25). Indri indit ka luhur rék balik ka imah kolotna. Tapi hanjakal manehna kudu macet salila 12 jam nepi ka dehidrasi lantaran warung-warung anu biasa ngajual sapanjang Jalan Puncak Bogor geus tutup. Abdi angkat ti Jakarta kira-kira tabuh 18.30 WIB, rencanana badé uih deui ka bumi kolot abdi kabeneran imah kolot abdi di Puncak,” ceuk Indri, dicutat ti Detik.com.\r\nSajeroning lalampahan, manéhna ngahaja milih kaluar ti jalan tol Ciawi pikeun nyingkahan macét. Tapi rencanana teu hasil, sabab mobil anu di tungganganana teu obah pisan salila lima jam sanggeus kaluar ti Tol Ciawi ka Puncak.\r\n“Kuring ngahaja kaluar ti tol Ciawi sabab milih jalan desa pas kaluar ti tol Ciawi, ternyata arah jalan desa macet 5 jam nepi ka asup ka jalan desa.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "244", "text": "MIndeng manggihan duit dina saku calana, padahal saku calana sorangan. Tapi rasana teh bungah pisan, komo deui lamun keur teu boga duit mah sanajan ngan manggihan Rp 10.000 oge. Saking bungahna sok hayang ngagorowok, tapi era oge lamun didenge ku batur. Mindeng oge manggihan duit teh pas geus kaseuseuh, atuh kudu di poe keun heula ngameh garing, tapi pas garing teh sok jadi heuras duitna, tungtungna hese di buka jeung kudu make setrikaan. Tuluy mun manggihan duit teh sok ngarasa jadi kaya, padahal mah nominalna oge leutik. Akhirna mah hayang ngajajankeun duitna teh, paling kanu es krim atawa jajaneun di Alfamart.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5546", "text": "Hiji poe, abdi niat ngeprank babaturan abdi nu sok ulin ka imah. Abdi api-api nambut hapena jang ngerjakeun tugas. Ku abdi hapena disimpen dina saku, tuluy mawa hahapean nu geus disaruakeun warna na jeung hape babaturan. Hahapean eta ku abdi dicoo saolah hape babaturan. Teu lila, abdi lulumpatan di sisi kolam renang bari acrig-acrigan. Cleng eta hahapean teh ngacleng ka kolam. Babaturan abdi nu ningali langsung molotot bari ngagorowokeun hapena. Babaturan abdi ceurik jejeritan sabab hapena ticemplung, pasti bakal moal bisa hirup deui. Keur ceurik, abdi tuluy nyodorkeun hape anjeunna kana meja. Anjeunna bingung bari nyeka cipanon. Ceuk abdi teh prank, ieu hape maneh mah, itu mah hahapean. Babaturan abdi atoh campur jengkel tuluy nyeburkeun abdi ka kolam.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2952", "text": "Cara pikeun ngaleungitkeun rasa sieun numutkeun agama Islam nyaéta ku cara ngokolakeun rasa takwa ka Alloh SWT ku cara dzikir atawa solat, ngalaksanakeun solat, jeung ngalaksanakeun syariat Islam séjénna. Beuki nyaho kana kakawasaan jeung kasaktian-Na, leuwih gede katakwaan hiji muslim. Teras, Yakin yen Allah SWT bakal nulungan urang lamun hayang kaluar tina gangguan sieun, tumuwuh dina diri rasa yakin yen Allah SWT bakal nulungan. Sakumaha anu ditegeskeun dina Al Qur'an, Alloh SWT bakal nulungan satiap hamba anu iman jeung naros ka Anjeunna. Sakumaha anu ditegeskeun dina Al Qur'an, Alloh SWT bakal nulungan satiap hamba anu iman jeung naros ka Anjeunna. Numutkeun firman Allah SWT anu hartosna: \"Jeung lamun maraneh menta pitulung ka Pangéran anjeun, mangka Anjeunna ngidinan pikeun anjeun, Allah maparin pitulung sarébu malaikat anu turun dina barisan\". (QS. Al Anfal: 9).", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5934", "text": "Arsil pernah ngagaduhan trauma kana ngadahar permen. Caritana, keur leutik Arsil teh pernah ngadahar permen relaxa bari uulinan jeung babaturan nana. Keur luluncatan bari seuseurian, permen relaxana melag dina tikoro Arsil. Arsil harita sasah pisan sabab teu bisa ngomong jeung geus hese nafas. Beungeutna geus geuneuk sabab nahan nyeuri jeung eungap dina tikoro na. Indung Arsil langsung sigap nepakan beuheungna. Geus sagala rupa cara dicobaan tapi can bisa keneh wae ngaluarkeun eta permen. Geus aya lima menit, tepakan indungna dina beuheung Arsil teh nyababkeun permen relaxana bijil tina bahamna. Arsil tidinya bisa nafas deui, bari cireumbay teh nginum cai bodas. Tidinya, Arsil alim deui ngadahar permen sabab masih keneh kababayang rarasaan melegna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "253", "text": "Urang boga hobi fotograpi, nepikeun ka sok jadi panitia dokumentasi lamun keur aya acara. Tapi hiji waktu dititah ku dosen jang jadi tim dokumentasi penelitian. Harita teh penelitianna ka Ciptagelar. Kusabab kitu urang mulai ngaberesihan kamera lantaran aya jamur dina lensana. Geus digesek-gesek oge tetep jamurna teh teu leungit, jadi weh ku urang dibawa ka tukang servis heula. Sanggeus kitu poean acara, urang indit jeung dosen kana mobil. Harita dosen nu indit teh aya 3 an, sopir 1, jadi di jero mobil aya 5 an. Pas nepi ditu, urang langsung ngaluarkeun kamera jeung moto-moto sakeliling. Urang bungah sabab bisa boga pangalaman anyar jeung bisa ninggali adat istiadat di hiji daerah nu can pernah urang datangan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6848", "text": "Pas leutik aya hiji permen karesep barudak leutik, nyaeta permen karet anu aya hurup dina bungkusna. Upami urang tiasa ngempelkeun hurup-hurup eta janten tulisan YOSAN cenah mah urang bakal meunang hadiah. Mimitina mah abdi sumanget pisan meser eta permen karet unggal poe ngumpulkeunv bungkusna sangkan tiasa janten tulisan YOSAN, tapi aya hiji hurup anu hese pisan meunangna, nyaeta hurup N. Abdi tos nyerah moal ngaharepkeun deui. Hiji poe rerencangan meunang hurup N. Langsung we urang teh ngempelkeun deui bungkus permen anu tos disimpen teras dibawa ka warung. Pas di warung, urang masihan bungkus permen eta teras urang dipasihan hadiah kaos.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4461", "text": "Basa kamari urang aya kaperluan ka bank di titah ku kolot nyokot duit pikeun ngabeberkeun imah. Duit anu di cokot nominal na cukup gede, urang mangkat ka bank isuk isuk sangkan pas nepi di bank na can pati rame. Ari pas nepi di bank urang rada reuwas yen jam sakieu bank na oge karek buka tapi antrian na geus pinuh. Saenggeus lila nungguan ahirna bagean urang, urang datang ka patugas teller bank na geus mawa syarat syarat na mawa ktp, buku tabungan jeung slip panarikan tuluy di pigawe ku patugas na karek duit cair, jumlah eta duit teh emang teu buleud matak rada hese ngitungna. Geus weh urang balik, duit di itung di imah teh kurang didinya urang geus rada ambek tuluy balik deui ka bank merekeun bukti jeung duit anu tadi ka patugas bank urang ambek kusabab manehna henteu taliti urang jadi bolak balik dua kali ka bank.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8937", "text": "Waktu harita kuring keur kaluar ti perpustakaan neundeun buku-buku nu geus diinjeum ku kelas kuring. Nalika kuring kaluar ti perpustakaan kuring nempo babaturan kuring, ngaranna Lina. Kabeneran geus waktuna istirahat, kuring ngajak Lina makan di kantin. Urang meuli batagor jeung es jeruk, tuluy didahar bari ngobrol saeutik bareng Lina. Waktu istirahat geus réngsé, kuring jeung Lina leumpang babarengan ka kelas. Tapi ceuk Lina, urang dititah indit tiheula, sabab cenah Lina rek ka WC heula, jadi kuring indit ka kelas sorangan. Pas ka kelas kuring reuwas lantaran Lina ujug-ujug geus aya di kelas jeung keur ngobrol jeung babaturan kuring nu séjén. \"Geus ka WC Lin?\" Kuring nanya pikeun mastikeun. \"Kuring henteu kaluar ti WC. Kuring parantos di kelas sareng teu acan kamana-mana.\" Jawab Lina. Kuring sieun sorangan. Janten saha anu tuang sareng anjeunna di kantin tadi? Kuring nyoba teu mikiran anjeunna sarta diuk dina bangku kuring.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3003", "text": "Numutkeun kana Dual Diagnosis, jalma anu ngalaman autophobia biasana horéam pariksa kaayaanana ku dokter. Malah, teu saeutik nu ngajauhan paguneman ngeunaan kasieunana jeung para ahli. Ieu tanda, sabenerna jalma kalawan autophobia sadar sadar yen sieun maranéhanana digolongkeun kana alesan. Pikeun bisa manggihan kaayaan naon anjeunna boga, salah sahiji hal anu kudu dipigawé nyaéta kahayang pikeun leupas tina sieun éta. Ku alatan éta, lamun ngarasa anjeun ngalaman autophobia, eta leuwih hade geuwat konsultasi dokter. Lamun memang anjeun boga gangguan jiwa ieu, dokter anjeun bakal nyarankeun profésional kaséhatan méntal. Saatos pendak sareng profésional kaséhatan méntal, dokter biasana bakal ngalakukeun pamariksaan psikologis heula. Henteu ngan éta, dokter biasana bakal ménta inpo nu patali jeung sajarah médis Anjeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6829", "text": "Ucapan syukur teu ereun kaucap dina jero hate lantaran abdi tos tiasa lulus ujian anu kahese-hese dikerjakeun. Abdi atoh jeung bagja lantaran atos berhasil ngaliwatan ujian ieu. Abdi ngarasa bangga ka diri sorangan lantaran tos berhasil ngahontal kahoyong abdi. Abdi oge teu hilap ngucapkeun ka sadaya pihak anu tos ngadukung salila ieu. Ujian ieu tos abdi persiapkeun di kamari-kamari. Unggal poe na teu pernah aya kaliwat ngaduakeun kanggo kaberhasilan ujian ieu lantaran ujian ieu anu nentukeun nasib ka payun na kumaha. Kabayang kumaha bungah na para sepuh upami ningal hasil ieu. Ceurik oge sanes ceurik pedah sedih, tapi bakating ku bagja ningal hasil anu diarep-arep ieu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3384", "text": "Nyebut Ngaran anu leungit atawa bisa di sebut poho yen aran, mangrupikeun kasalahan kognitif anu ngungkabkeun saha anu urang anggap dina grup urang, \"saur David Rubin, profesor psikologi sareng neurosains di Universitas Duke. Janten, nalika Ibu nyauran anjeun anjing piaraan, éta nunjukkeun yén anjeunna nganggap anjing piaraan salaku bagian tina kulawargana. Sajaba ti éta, jalma ogé mindeng salah ngucapkeun ngaran batur kalawan ngaran anu disada sarupa. Contona, urang bakal nelepon Mitchell ku ngaran Michael.\nPenampilan fisik sabenerna boga pangaruh kirang dina kasalahan nelepon ngaran. Sami lumaku pikeun faktor umur. Dina pangajaran, peneliti surveyed jalma ngora jeung jalma heubeul, tapi mispronounced ngaran anu dijieun leuwih mindeng ku jalma ngora.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5616", "text": "Enjing keneh abdi ngahaja indit bade meser ayam goreng Santa Maria, salah sahiji ayam goreng nu keur viral pisan di tiktok. Ti mimiti muka gerobakna, nu ngantrina ge geus puluhan. Antrianna teh malahan nepi ka sisi jalan ngajajarna. Nu ngantri na teh rata-rata orang turunan tionghoa. Biasana mun meleng saeutik ge antrean na teh sok disorobot, mantak tong nepi ka meleng we ngantri didieu mah. Abdi ge kabagean ngantri ti jam tujuh, nembe meunang ayam gorengna jam dalapan. Cangkeul pisan ngantrina ge, meuni nepi ka sajam. Tah nu viral teh justru ku antrean nana ningan. Kajeun teuing ngagofood we lah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5702", "text": "Mun boga babaturan anu menta ningali tugas kuliah, mending tong dibere sabab jalma teu sarua. Kaalaman harita tugas kuliah abdi dibere nempo ka babaturan sabab manehna menta. Sugan teh moal dicopy paste, sugan teh jang referensi hungkul. Eh ai pek teh dicopy paste sagalana, ngan diganti nama hungkul. Pas penilaian, abdi dipanggil ku dosen jeung manehna. Ditegur sabab copy paste, nya abdi ngamuk bari ngajelaskeun yen eta tugas abdi nu dicopy paste ku anjeunna. Nya keuheul nya era abdi harita. Tah, jadi pelajaran, tidinya tara mere deui contoh tugas ka manehna, nanya ge saperluna hungkul. Mun aya babaturan nu kitu, mending dijauhan sabab ngarugikeun urang!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5648", "text": "Budak nu keur leutikna pernah diteunggeul ku kolotna atawa diperlakukeun kasar, bakal boga kacacatan mental nu kabawa nepi ka dewasa. Biasana budak nu ti leutikna dikasaran mah bakal boga ingetan kana rasa nyeurina. Jadi dina ngajalani kahirupanna cenderung bakal teu percaya diri jeung deuih bakal boga perasaan hayang kasar ka batur mun keur jengkel teh. Teu jarang geus gedena sok nekad nepi ka urusan naon wae ge. Aya nu jadi insecure dina ngajalani kahirupannana, aya nu malah jadi leuwih nekad sabab ngarasa boga kawani jang ngalawan batur. Biasana luka trauma keur leutik na teh moal leungit, kecuali mun dikonsultasikeun jeung nu leuwih kompeten jiga ka psikolog. Sabab bahaya pisan jang perkembangan mentalna oge.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6977", "text": "Abdi gaduh hiji rerencangan anu pikarunyaeun pisan. Pas ningal manehna abdi sok ngarasa sadar yen abdi teh sanes hiji-hijina jalmi anu gaduh seeur masalah, lantaran abdi ningal manehna nuju seeur pisan masalah anu lamun abdi janten manehna abdi teu apal kedah kumaha. Manehna diancem kedah ngirim duit saratus juta lamun manehna teu hoyong poto manehna disebarkeun ka kulawargi jeung rerencanganna. Manehna dimangpaatkeun ku tilas kabogohna, manehna kaduhung pernah ngirim poto manehna teu dibaju jaba katingal bengeutna. Manehna tos rek mutuskeun eta lalaki tapi lantaran eta lalaki nyepeng foto manehna jeung ngancem bakal ngirim poto eta di grup rerencangan manehna lamun teu ngirim duit, ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4434", "text": "Kaayaan fisik anu teu sampurna teh pamere ti gusti Allah oge. Eweuh anu bisa nolak sagala kahendak Allah, salaku hamba na urang ngan saukur bisa narima jeung ngajalankeun na. Boga fisik teu lengkap teh eweuh nu bisa milih jeung eweuh anu hayang, jadi teu meunang di perlakukeun teu adil dina kahirupan. Tapi teu bisa di sangkal yen perlakuan teu adil rek langsung atawa henteu pasti bakal di rasakeun kunu boga fisik anu teu lengkep, misal jadi sok di hina di omong omongkeun jeung henteu di baturan lamun ulin ku babaturan na. Lamun geus di perlakukeun kawas kitu jelema na atawa indung na kudu teges mere beja yen teu menang di perlakukeun teu adil kitu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6041", "text": "Bulan Oktober 2022 teh terjadi tanah longsor di Cimanggung, Kabupaten Sumedang. Kajadian bencana longsor ieu teh ngarugikeun sabagean besar masyarakat Desa Cihanjuang, Cimanggung. Pasalna, sanes wae rumah nu rusak, tapi oge seueur korban jiwa bahkan korban nyawa. Jumlah korban jiwa dina bencana ieu teh puluhan jalmi. Sababaraha diantarana masih keneh hilang jeung masih proses pencarian. Seueur pihak nu ikut serta jadi relawan bencana ieu, aya ti pamarentahan, ti SAR, ti relawan soaial jeung kabencanaan, organisasi kampus, jeung sajabana. Sadayana bahu membahu kangge nemukeun korban longsor. Dina proses pencarian korban teh aya longsor susulan nu nyebabkeun bertambahna korban jiwa ti pihak instansi kepolisian sareng nu ngarescue.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4335", "text": "Reuni sakolah biasa na sok di ayakeun nya lain acara resmi tapi acara swadaya anu sok di jieun ku para alumni sakolah pikeun ngumpulkeun jeung ngajalin silaturahmi jeung angkatan sakolah na anu ges mencar jeung sibuk ku hirupna masing masing. Tapi dina reuni biasana anu datang nya jelema na eta deui eta deui umum na mah jelema anu dekeut jeung anu biasana mindeng papangih. Hese emang lamun hayang papangih jeung babaturan anu geus tinggal jauh. Tapi aya kajadian anu teu kaduga jeung ngajieun hate urang teh bungah pisan, yen tadi pas rek balik dina angkot urang papangih teu kahaja jeung babaturan deukeut urang anu tinggal na jauh di padang. Maneh na teh rupa na karek erek balik mudik saenggeus lila ngarantau. Pas papangih tadi diuk pasisi sisi urang dua an reuwas teu sangka yen akhirna urang bisa papangih deui dina angkot.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4695", "text": "Urang pernah aya masalah salah paham jeung bapa urang nyaeta emang urang anu salah tapi salaku budak urang aya rasa gengsi sieun jeung era rek menta hampura. Tapi teu sangka yen gara gara masalah eta , indung urang oge jadi milu ambek jeung nyarekan urang wae, mimiti na mah nya indung urabg cicing jeung teu loba omobg tapi mangkin kadieu indung urang nyarekan anu ngajieun urang sieun. Urang kasieunan yen indung urang ges ambek ambekan gitu, nepi ka rasa na urang teu boga pilihan oge kudu menta hampurna ka bapak urang jeung indung urang sakalian mimiti na mah era jeung sieun di carekan deui, tapi lamun geus di omongkeun maranehna oge pasti ngarti.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7352", "text": "Abdi heran pisan basa datang ka hiji tempat resto, padahal pelanggan teh nuju seeur pisan, tapi maranehna kalahkah hareureuy lainna digawe. Aya sababaraha jalmi anu tos ngantosan jeung geus teu kiat lapar tapi dahareun teu datang oge. Abdi milih resto ieu lantaran rasana anu ngeunah tapi pangaosna mirah jeung lumayan sehat oge. Tapi palayananna bener-bener teu sae. Abdi teu ngarti naha bisa maranehna kalahkah nyantai padahal beuki seeur jalmi anu datang, tapi teu dilayanan. Meja-meja oge kalalotor keneh tilas jalmi anu sanes lainna diberesan kalahkah disimpen dihandapeun meja hungkul. Nepikeun aya hiji ibu-ibu jeung sababaraha tukang ojek anu mulai negor pagawe di dinya lantaran tos pinuh pisan. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8207", "text": "Rahmat teh jalma nu jujur tur tiasa dipercanten. Di kampungna manehna tos biasa dipercanten ngurusan perkawis sapertos zakat, duit sumbangan, jeung sajabana. Kusabab kajujuranna eta Rahmat dipercanten oge janten kapala desa. Sieun ku dosa teh janten salah sahiji nilai nu dicekel ku Rahmat salila ngajabat janten kapala desa. Kantos aya hiji jalma nu ngahasut Rahmat, manehna dihasut pikeun ngorupsi duit sumbangan nu tujuanna pikeun dianggo ngabenerkeun masjid di babaraha kampung.Kusabab nilai nu dicekelna, Rahmat teu ngadangukeun hasutan eta. Rahmat sieun kusabab eta teh hal nu dosa. Sanes teu ngadangukeun hungkul nanging Rahmat oge ngalaporkeun eta jalma ka pihak nu berwenang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6815", "text": "Ti baheula abdi emang gaduh cita-cita hoyong kuliah di Universitas Padjadjaran. Pas abdi nuju mikirkeun ngeunaan pilihan kampus kangge kuliah bener-mener mikiran sagala hal nepikeun ka ongkos ka kampus jeung sajabana. Unpad dipilih lantaran gaduh seeur jurusan anu akreditasina seeur anu A. Unpad oge lokasina teu pati jauh ti bumi abdi dibandingkeun kampus negeri anu sanes. Sateuacan pandemi abdi angkat ka kampus naek Damri jurusan Elang-Jatinangor via Cibiru anu ongkos na ngan opat rebu. Janten luewih mirah dibandingkeun ongkos ka UPI anu tiasa nepi keun sapuluh rebu. Di unpad oge aya asrama kanggo mahasiswa anu meunang beasiswa satahun lami na.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3282", "text": "Cara anu pangsaéna pikeun nyingkirkeun hama ieu nyaéta tip sareng trik kontrol hama pikeun ngusir sareng ngajagi bumi anjeun. 1. Ulah nepi ka cai ngeuyeumbeu Hama saperti reungit biak dina cai ngeuyeumbeu. Pastikeun pikeun ngabersihan solokan supados henteu aya cai anu mampet. Cai nu ngeuyeumbeu kotor bakal ngondang reungit malaria jeung demam berdarah. Upami anjeun gaduh pepelakan cai, pastikeun pikeun ngarobih cai supados henteu janten tempat reungit. Upami anjeun gaduh pipa AC anu nyayogikeun cai, ulah nganggo ember pikeun ngumpulkeun cai atanapi ngosongkeun ember unggal dinten. 2. Ulah nyimpen bungbuahan sarta sayuran dina spasi kabuka, lamun geus asak teuing atawa ampir busuk, bungbuahan sarta sayuran narik laleur, cockroaches jeung serangga lianna. Upami anjeun sering mendakan laleur di bumi atanapi dapur anjeun, panginten aya sayuran atanapi buah anu anjeun hilap disimpen dina kulkas. 3. Rutin ngaluarkeun runtah. Akumulasi runtah di imah bisa ngondang beurit jeung cockroaches. Hama ieu tiasa nyebarkeun panyakit, anu bahaya pisan, khususna upami anjeun gaduh murangkalih sareng piaraan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7547", "text": "Pandemi tos mulai raat, masarakat tos mulai seeur dipasihan vaksin ku pamarentah. Dimana-mana seur pisan vaksin anu dilaksanakeun lantaran vaksin oge tos janten syarat kanggo daftar gawe jeung syarat lamun urang hoyong asup ka tempat umum. Abdi oge kapaksa divaksin sanajan abdi sieun kana jarum suntik lantaran janten syarat kanggo asup kuliah. Vaksin anu dilaksanakeun di lapangan ieu teu aya panghalangna janten sadayana tiasa ningal pas abdi nuju disuntik lantaran supados gancang. Abdi ngaderegdeg pisan ngantosan giliran kuring. Tapi sanajang abdi sieun kana jarum abdi kedah katingal teu sieun lantaran era ka batur anu ningalikeun, komo seeur budak leutik oge. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2936", "text": "Pangalaman mimiti disuntik lain alatan gering, tapi nyuntik vaksin waktu kuring kelas 2 di kelas, mun teu salah mah. Sumuhun, éta kahiji kalina, panasaran & sieun janten salah. tapi sieun di suntik teu pantes mun engke mun di suntik terus ceurik bari ningalian babaturan sakelas, ngerakeun... da eta mah pas keur di suntik heula kalakuan. rada santai (tapi anjeun teu hoyong ningali panangan anjeun nalika anjeun disuntik kusabab sieun). tapi anu paling diinget-inget mah pas disuntik, waktu masih awal kuliah. Nalika kuring angkat ka rumah sakit, waktos éta kuring sigana didiagnosis hipertensi, vertigo & meureun flu anu paling parah dugi ka ayeuna (asumsi pribadi). Waktu berobat mah ampir 2 poe teu dahar, ngan nginum cai, lain keur krisis, teu boga duit keur meuli dahareun. tapi meureun ku sabab nyeri teh bener-bener ngaleungit napsu, jadi hehehehe, beungeutna pucet & lemah, éta titik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1009", "text": "Matak sieun pas keur di panggung teh lantaran ku pola pikir sorangan, komo mikiran pendapat batur ngeunaan urang, biasana mun tuluy dipikirkeun kalakah beuki sieun pas di panggung teh. Urang kudu berpikir positif, jadi ulah mikiran siga \"Aduh nu nongton pasti teu resep ka urang\" mikir nu positi-positif weh, siga \"Wah sigana bakal rame yeuh engke urang pas di panggung\". Tuluy bisa oge datang leuwih gancang pas keur acara, lantaran urang kudu adaptasi heula di panggung, jadi urang nyoba naek ka panggung heula geus eta urang nyoba leumpang ka kenca jeung leumpang ka katuhu, tuluy ku urang tinggali, penontonna ku urang bisa ditinggali nepikeun sajauh mana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2222", "text": "Separation geus ilahar. Karugian bisa lumangsung ka saha. Paménta pikeun ngantepkeun batur kaluar tina kahirupan anjeun, naha kusabab sauyunan pribadi atanapi panghianatan lingkungan, tiasa kajantenan iraha waé urang pendak. Sanajan kitu, teu sakabéh urang nyaho kumaha carana nungkulan leungitna. Teu jarang, urang kudu ingget numutkeun saran iyeu : 1. Deukeutkeun ka Allah sangkan daék nyanghareupan papisahan.Nalika anjeun ngungun, pasti seueur anu nyarios, \"Anjeun kedah kuat.\" Sabenerna, kecap-kecap éta bakal nambahan beban kasedih anjeun. Saolah-olah aya kawajiban pikeun anjeun tangguh, bari tilelep atawa ngiles hiji-hijina hal anu anjeun hoyong laksanakeun.Ku cara ngadeukeutan ka Allah, anjeun bakal bisa lalaunan ninggalkeun eta. Anjeun bakal ngartos kumaha saé ngantepkeun. Dina ahir poé, anjeun bakal diajar janten jalma dewasa. 2. Ngarasakeun momen ayeuna, anjeun henteu nyalira Nuluykeun nu naon geus indit moal mawa aranjeunna deui. Hal anu paling bijaksana pikeun anjeun laksanakeun nyaéta ningali saha anjeun masih gaduh. Kaleungitan pasangan tiasa ngajantenkeun anjeun langkung ngahargaan ayana bapa sareng indung anjeun. Pipisahan ti babaturan bakal memicu anjeun leuwih cinta babaturan anjeun. Separation sabenerna kudu jadi pecut sangkan anjeun leuwih bungah dina kahirupan.\n", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "787", "text": "Mun karya urang dicokot, urang bisa ngalakukeun hal ieu. Nu mimiti hubungi heula jelema nu nyokor karya urang, lantaran bisa wae jelema eta teu sadar mun karya eta dilindungi hak cipta, geus kitu urang kari menta manehna ngahapus karya eta atawa mere sumber (kredit) kana pemilik karya. Nu kadua kirimkeun surat peringatan, mun jelema eta teu ngarespon atawa nolak jang ngahapusna urang bisa ngirimkeun surat peringata sacara resmi. Nu katilu laporkeun pelanggaran, mun peringatan teu berhasil, urang bisa ngalaporkeun pelanggaran hak cipta ka polisi atawa pengadilan. Nu terakhir bisa meunangkeun bantuan hukum, mun masalahna beuki rumit, urang bisa menta bantuan hukum ti pengacara atawa organisasi nu boga fokus kana hak cipta.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "712", "text": "Pindahan sakola lantaran teu nyaman dihina fisik wae ku babaturan, ku harepan di sakolaan anyar mah babaturanna balageur. Tapi pas poe mimiti sakola ge, geus teu ngeunah hate lantaran cara ninggalina batur teh geus beda, sarua jeung pas sakolaan saacanna. Nepikeun hiji waktu mah di sakolaan anyar aya nu nyauran \"Heh gendut kadieu, heh maneh mah leumpang ge lila siga gajah\". Mimitina mah cuek omongan kawas kitu teh da geus mindeng nepikeun ka bosen ngadengena ge. Tapi hiji waktu mah meureunan keur cape, jadi rada sensitif. Pas dihina deui teh teu cicing malah mah dilawan, \"Urang boga salah naon ka maneh nepi ngahinaan ursng wae?\" eta omongan mimiti urang bari ngajegkeun awal jeung dada rada kaluhur. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5268", "text": "Abdi ngarasa kaduhung sabab pernah nyentak pun mamah. Salila ieu abdi digedekeun jeung dididik ku nu jadi indung. Nanaonna dibere nu terbaik, nanaon na diutamakeun. Sagala kahayang dicumponan. Pokokna mamah mah jalmi panghebatna. Hiji poe abdi hoyong ngiring kemah, tapi mamah ngulahkeun. Melang ceunah ai pok na teh. Abdi kacida ambekna ka mamah tuluy nyentak maksa hoyong ngiring. Tidinya mamah ceurik bari ngijinan abdi ngiring kemah. Abdi harita ngarasa bersalah pisan tos nyentak ka mamah nu salila ieu bageur jeung sabar ka abdi. Kaduhung sagede gunung sabab ayeuna mamah rada teu perhatian deui ka abdi. Ah abdi ngarasa bersalah pisan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6352", "text": "Dinten ayeuna teh aya mata pelajaran Seni Budaya. Tah kabeneran ayeuna materi lagu daerah, jadi kudu nyanyikeun lagu daerah saurang-saurang. Tah ayeuna Riki pang tiheulana maju nyanyi ka hareup. Riki mawakeun lagu daerah Papua, nu judulna Yamko Rambe Yamko. Tah pas keur tampil, guru menta jeung gerakan nana. Riki eraeun pisan di hareup. Bari jeung maksakeun teh Riki aclok-aclokan tari sabisa manehna. Leungeun jeung sukuna teh pabeulit, mantak seuseurian batur sakelasna. Kagugueun pisan kana kalakuan Riki nu tarian na pabeulit. Kabeh nu aya di kelas seuseurian, Riki mah ngan bisa keom we bari era ku polah na sorangan nu teu pararuguh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1392", "text": "Keur leutik mah mindeng nyakuan kaleci dina saku calana teh, nepikeun ka saku calana pinuh ku kaleci. Hiji waktu pas keur hayang miceun di toilet, teu kahaja si kaleci teh murag kana lobang toilet, padahal toilet teh dina kaayaan masih aya kokotorna acan diseblok. Ku sabab harita mah kaleci teh berharga hiji wae ge, jadina ku urang kapaksa dicokot dina lobang toilet anu masih aya kokotor. Geuleuh sih, tapi kapaksa da lebar tea. Anu tungtungna kaleci eta ku urang kumbah saacan disakuan deui. Tuluy dibabawa sabari dipaenkeun, tapi ngahaja babaturan teu dibere nyaho da harita mah sieun teu ditampi kalecina.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2899", "text": "Jigana dua tangtangan pangbadagna pikeun ngajaga kabeungharan kulawarga ti hiji generasi ka generasi saterusna nyaéta: warisan (sabab beuki loba anak jeung incu hartina leuwih duit leungit), sarta sipat naon ngajadikeun kulawarga anjeun euyeub di tempat munggaran bakal robah, utamana. sabab dunya ieu salawasna dina modeu parobahan anu kacida gancangna sarta biasana generasi kahiji dimimitian ti teu boga nanaon sahingga nalika maranéhna boga turunan, gen 1 masih berjuang pikeun hirup, hasilna gen 2 ogé ngarasa perjuangan pikeun ngawangun usaha. , kaasup ngarasa kasusah salamet.Sanggeus gen 1 diganti ku gen 2, biasana usaha geus mimiti maju jeung gen 3 anu muncul bakal hadir nalika ngarasakeun hirup jeung maju usaha kalawan henteu berjuang pikeun salamet jeung kaayaan anu geus kacida idéal, sumanget juang dina gen 1 jeung gen 2 teu diwariskeun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9526", "text": "Ditampi pikeun seleksi di universitas anu dipikahoyong ku urang nyaeta kasuksesan anu henteu ngan ukur masihan urang kasempetan pikeun diajar di salah sahiji paguron luhur di dunya, tapi oge bakal masihan kabagjaan anu teu kanilai hargana. Kabagjaan anu bakal urang rasakeun henteu ngan ukur dugi ka nalika urang ngahadiran kelas di universitas, tapi oge bakal diteruskeun sapanjang karir di hareup. Salian ti eta, ditampi di universitas impian urang oge bakal masihan kareueus sareng prestasi anu moal pernah hilap. Janten, ulah ragu kana kamampuan anjeun sareng teras-terasan usaha pikeun ngahontal kabagjaan anu leres ku cara nampi pilihan di universitas impian anjeun. Ku kituna, hayu urang terus ikhtiar jeung diajar sangkan bisa ditarima di paguron anu dipikahayang!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3307", "text": "Sapanjang perjalanan, kuring ningali yén di kota ieu seueur pisan tempat tuang anu sami. Kawas réstoran padang tapi teu bener. Ku kituna dina jandela aya loba dahareun dipamerkeun. Malah lain ngan dina jandela, sabab teu pas, jadi sababaraha lauk ngan disimpen dina meja.\n\nJarak antara hiji réstoran jeung réstoran ogé teu jauh. Janten urang teraskeun dugi ka ngalangkungan sababaraha réstoran anu sami.\n\nRumasa geus jauh teuing, kuring jeung babaturan ahirna milih hiji tempat dahar. Urang ngadeukeutan sarta nelepon mas.\n\nKuring kakara sadar di dieu yén sadaya réstoran anu kami lebet, jarang pisan jandela ditutup. Jadi tinggal buka, kitu, rata-rata lokasina deukeut jalan raya. Kaasup réstoran kami milih. Enya kumaha, geus jauh teuing, ahirna mah tinggal milih\n\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1107", "text": "Teuing boga niat naon mun apal aya nu mimilu, ieu mindengna kajadian pas keur di kota. Sieun pisan manehna niat jahat, boh eta rek nyokot barang atawa rek ngalakukeun hal-hal jahat ka urang. Basa harita oge keur maen di mall nepikeun ka ditutur-tutur bahkan ka toilet oge dituturkeun. Urang nepikeun ka nelepon babaturan ngameh manehna maturan, soalna mun aya baturna mah nu niat jahat oge meureunan mikir deui. Mun teu dibaturan ku babaturan mah bisa wae manehna ngalakukeun tindakanna pas keur sepi atawa pas urang keur sorangan, misalna pas kaluar di karamean. Biasana mun geus dibaturan ku babaturan mah nu tadina nunutur teh sok langsung ngaleungit.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6858", "text": "Pas nuju emam sasarengan jeung babaturan di kantin abdi nyimpen dompet jeung konci motor di meja. Urang sadayana ngararobrol nepi keun wengi dugi ka tabuh dalapan. Pas tos mulih ka bumi masing-masing, abdi karek sadar yen dompet kuring teu aya dina tas. Abdi langsung panik lantaran seeur dokumen penting anu aya di dina dompet. Aya KTP, kartu ATM, jeung duit tujuh puluh rebu. Abdi langsung ngomong ka rerencangan anu nembe sami-sami ti kantin manawi aya nu ningal dompet kuring. Isukna kuring datang deui ka kantin, pas naros ka nu boga kantin epek teh si dompet na dipangnyimpenkeun ku ibu kantin.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6989", "text": "Lantaran hoyong geura-geura meser hiji barang anu pangaosna lumayan awis, rerencangan bade abdi nyobian nambut artos ka bank. Sabenerna mah tos seeur jalmi anu mapatahan manehna, kaasup kuring. Abdi ngingetna manehna lantaran pernah aya kulawargi kuring anu boga hutang ka bank nepi ayeuna can lunas tos lima taun lantaran bungana naek unggal taun, tapi manehna tetep keukeuh bakal nginjeum artos ka bank. Manehna ginjeum duit anu totalna lima juta rupiah. Pas tos nyepeng duitna manehna langsung meuli laptop anu tos dipikahoyong ti taun kamari. Pas tos waktosna mayar manehna teu tiasa mayar tepat waktos lantaran aya masalah janten manehna meunang denda. Ti kajadian eta manehna kaduhung nginjeum duit ka bank. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5626", "text": "Abdi kantos gaduh pasangan kabogoh nu hobina teh ngomentaran fisik abdi. Anjeunna sering ngomentaran tina warna gigi abdi nu teu kinclong bodas, bentuk tubuh abdi nu rada ngeusi, pajarkeun teh ceunah jiga ibu-ibu. Tuluy warna kulit abdi nu gelap, pajarkeun teh kudu perawatan anu lah itu lah ieu lah, ah kesel pisan ngadanguna. Komentar kieu teh pasti didangu mun unggal amprok. Abdi sakapeung sok ceurik ku nahan jengkel bakat ku nyaah jeung ngahargaan anjeunna. Tapi anjeunna saenakna ngeritik jiga kitu. Bakat teuing ku kesel, ku abdi ditinggalkeun we lila-lila mah, neangan deui nu bisa narima fisik abdi apa adanya we.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "724", "text": "Keur ulin bari kulineran di tempat dahar, teu biasana manehna ngomong \"Lucu teu mun urang salingkuh? Bae teu?\" Sabenerna mah reuwas ngadenge omongan manehanana kitu lantaran tara biasana, nu katinggalina penurut jeung bageur. Urang bari ngajawab \"Naha omonganana bet kadinya? Kunaon, emang bener salingkuh?\" Manehna ngomong deui bari nada lalaunan \"Enya A, da abdi teh geus bosen jeung Aa\". Siga aya bentar da eta mah, rarasaan teh keur bungah asa di dudut ka handap. Mimitina mah urang ngajawab \"Oh kitu\". Hayang ambek tapi teu kawasa. Lajeng ngomong deui \"Nya atuh ari hayangna kitu mah teu nanaon\". Soalna urang leuwih ngahargaan jelema anu jujur sanajan omongan eta peurih kana hate, tibatan nu salingkuh di tukangeun urang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8421", "text": "Kanggo sabagean ageung jalma, ningali toilet anu kotor sareng teu bersih tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng teu ngarareunah. Bau anu goreng sareng lingkungan anu kotor tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng ngajantenkeun aranjeunna hoyong ngajauhan tina kaayaan eta. Sababaraha urang malah bisa ngarasa pisan geueuh tur seueul nalika aranjeunna ningali toilet kotor. Dina kaayaan sapertos kitu, aranjeunna tiasa mutuskeun milarian jamban anu langkung bersih sareng langkung bersih. Sakapeung, ningali jamban anu kotor malah tiasa ngajantenkeun aranjeunna sieun sareng keuheul cicing di jamban. Ku alatan eta, penting pisan pikeun mastikeun yen jamban di sabudeureun urang salawasna beresih jeung higienis pikeun nyegah parasaan geuleuh jeung teu nyaman.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4346", "text": "Pabrik tempat bapak urang di gawe oge termasuk pabrik anu bageur jeung paduli ka para karyawan na. Unggal tahun pabrik eta teh sok ngayakeun family gathering atawa jalan jalan bareng jeung kulawarga na acara silaturahmi anu tujuan na supaya ngadeukeutkeun diri antar karyawanna. Dina acara family gathering eta oge biasana aya acara bagi bagi door prize atawa undian. Tilu tahun ka tukang bapak urang pernah meunang doorprize kulkas. Mimiti na mah bapak urang teu percaya kusabab tara meunang jeung bapak urang teh sok di heureuyan ku babaturan na. Pas bener nomor na di panggil bapak urang reuwaseun teu sangka akhirna meunang jeung kabetulan emang butuh kulkas di imah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6979", "text": "Basa nuju balik ti kampus ka bumi abdi di Bandung, abdi ningal aya hiji budak leutik dina angkot anu ceurik. Pas abdi nyamperkeun manehna epekteh manehna teu boga duit kanggo balik ka imah, komo imahna jauh keneh. Manehna kedah naek sababaraha angkot deui kanggo balik, manehna oge teu tiasa nelepon sasahan lantaran hape jeung dompetna dicopet ku batur. Abdi langsung ngupahan manehna sabari nawaran supados abdi nganterkeun manehna nepi ka imahna. Asalna manehna embung sabab bisi nyusahkeun batur, tapi abdi tetep keukeuh nganteur manehna nepi ka imah. Pas tos nepi ka imahna, manehna teu wani asup ka imah lantaran bisi diseuseulan ku kolotna, abdi maturan manehna nepi ka imah sakaligus nyaritakeun kumaha kajadianna. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5918", "text": "Public speaking mangrupakeun hal nu dihindari ku sabagean orang, sabab bisi demam panggung tea. Misalna wae janten MC, pasti teu loba nu minat sabab sieun teu bisa ngajak komunikasi penontonna. Jeung deuih bisi teu bisa ngatur mawakeun acarana. Tapi, nu ngaranna demam panggung mah pasti aya wae, sakumaha sering na ngalakukeun public speaking ge. Unggal event, pasti beda oge pesertana, jadi kudu selalu nyesuaikeun jeung peserta. Misalna acara santai, nya publik speaking nu dipake na ge nu santai, mun formal nya nu formal, mantak kudu selalu nyesuaikeun, teu bisa tanpa persiapan. Mantak eta, teu loba jalma nu hayang jadi MC.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "667", "text": "Keur jaman maen lotre di sakolaan loba pisan, mulai ti warung nepikeun ka si emang-emang nu aya di sisi jalan. Harita mah nyobaan nu di si emang-emang sisi jalan, lantaran manehna make benang kitu. Beda nu di warung mah make gambar nu ditileup tuluy engke aya angka di jerona. Pas datang ka si emang eta, urang mayar 1000 eun, sakali narik teh 500, jadi aya jatah 2 kali eun. Tuluy urang ngarapaan, neangan benang anu rada pendek, da pipikiranna mah mun benang nu nyumput eta teh hadiahna alus. Geus katinggali benang nu pendek tuluy ku urang ditarik, reuwas urang meunang hadiah garuda eagle, nu baheula mah permainan ieu keur hits jeung hargana lumayan mahal.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7835", "text": "Abdi paling teu resep kana bau cucunguk. Saking teu resepna abdi apal pisan kumaha bau cucunguk, janten lamun nuju cicing di hiji tempat teras ngambeu bau cucunguk, abdi langsung apal yen di caket kuring cicing pasti aya cucunguk. Sabenerna teu masalah lamun manehna teu ngaganggu mah, tapi abdi paling rujit lamun manehna hiber ka mamana. Anu janten masalah deui nyaeta cucunguk teh ulah dipaehan ku cara ditakol, lantaran manehna bakal ngaluarkeun leleur anu ngandung pipanyakiteun. Janten cara kuring ngusir cucunguk nyaeta ku cara ngawurkeun soda kueh di dapur jeung di tempat manehna cicing lantaran manehna bakal karacunan ku soda kueh. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5657", "text": "Mun bubaran pabrik teh sok mantak macet pisan ka jalan raya. Pagawe buruh pabrik nu kaliar teh mangrebu-rebu, jeung mun sakalina meuntas teh sok ngapuluh jalma, mantak nyetop kandaraan na ge meuni sok lila pisan. Kandaraan nu macet teh ngantai ngaleut pisan ka tukang sabab kapendet kunu nyebrang jalan. Mun sakumpulan nyebrang teh sok nepi ka lima atawa sapuluh menit mah. Kandaraan nu maju na ge diatur ku satpam nu nertibkeun jalan raya jeung pagawe nu nyebrang. Komo mun kaparengan hujan mah sok bari banjir ongkoh, mantak macetna makin parah wae. Kaayaan na sora klakson geus teu kaitung sababaraha kali disadakeun, da angger we moal mantak eureun macetna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2074", "text": "Giveaway nu ayeuna sok aya mangrupakeun pikeun kéngingkeun seueur palanggan sareng pengikut. Kira-kira 1–2 taun ka tukang loba YouTubers nyieun giveaways, jujur ​​kuring teu bener nyaho tujuan sabenerna maranéhanana pikeun ngalakukeun giveaways, tapi hiji kaayaan utama \"suscribe channel ieu\". Dina pamadegan ahli pamasaran ti bidang komunikasi jeung manajemen talent artis nyebatkeun yen, aranjeunna ngalakonan giveaway pikeun ngaronjatkeun palanggan sarta pemirsa maranéhanana. Anjeun tiasa ningali kanaékan palanggan sarta pintonan maranéhanana, ngaronjatna bener signifikan, kusabab jumlah palanggan. nu ngalakukeun téhnik pamasaran nah jang arurang salaku nu neangan give away kudu bisa cerdas jeung tekas ka neangan celah jang bisa meunang lotre na.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3272", "text": "Anjeun masih bisa nungkulan bau dina urut kukumbahan, ku milih hiji antibakteri sabun cuci piring jeung ngentaskeun piring jeung gelas jeung bersih, lawon na kudu microfiber garing. Salian ti éta, anjeun ogé tiasa nyobian metodeu di handap ieu. Garis handap tilelep ku anduk kandel tur susun tutumpukan kukumbahan di luhur. Tambahkeun 2 cangkir cuka bodas, lajeng ngajalankeun cai panas nepi ka gelas sagemblengna katutupan. Antosan 20 nepi ka 30 menit pikeun cuka ngaleyurkeun sarta miceun halimun jeung ngabalukarkeun bau, teras gosok- gosok, ngumbah, sarta garing tuntas. nah ku cara kos kitu insyaallah tiasa ngorangan bau jeung kageulueh ka kukumbahan nu bauna sok busuk atanapi amis jeung hanyir.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7869", "text": "Lantaran geus teu kiat nahan hoyong pipis, abdi buru-buru asup ka kamar cai saprak abdi dugi ka restoran tempat abdi jangjian sareng rerencangan. Abdi langsung ngacir ka kamar cai lantaran geus teu kiat pisan, biasana lamun geus teu kiat nahan pipis abdi sok teu tiasa mikir deui, teu mikiran anu sanes pokonamah kumaha carana abdi tiasa pipis. Abdi asup ka kamar cai teras karek sadar yen abdi salah asup ka kamar cai, kalahkah asup ka kamar cai lalaki lantaran teu ningal heula tulisan dina pantona, abdi oge teu apal yen kamar cai kanggo awewe mah tempatna rada di jero. Pas abdi asup ka kamar cai aya sababaraha lalaki anu nuju di kamar cai, untung we abdi kaburu sadar aya lalaki di dinya. Abdi langsung lumpat kaluar lantaran era pisan ka jalmi anu aya di kamar cai. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "314", "text": "Tanda-tanda hiji jelema bakal maot bisa dipikanyaho, utamana ka nu keur boga panyakit atawa geus kolot. Biasana sare leuwih loba atawa mindeng, hal eta bisa kajadian sabab beuki deukeut jeung maot, metabolisme awak hiji jelema bakal turun. Tuluy dahar jeung nginum leuwih saeutik, sabab teu merlukeun loba tanaga jang ngalakukeun tugas sapopoe, anu karolot ngarasa kurang merlukeun dahareun jeung inumeun. Pola kahampangan atawa kabeuratan barubah, sabab dahar leuwih saeutik, jadi mungkin pisan kabeuratanna oge leuwih saeutik jeung teu teratur ti saacanna. Suhu tubuhna oge nurun, ieu artina sirkulasi darah di tempat-tempat sejen, siga leungeun jeung suku jadi kurang pisan. Kondisi ieu nu nyebabkeun kulit jeung anggahota awak karasa tiis pas dicabak.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "258", "text": "Ngalakukeun penelitian jeung dosen tangtu loba mangpaatna. Aya sababaraha mangpaat nu bisa dimeunangkeun lamun miluan penelitian. Nambah wawasan jeung ninggali kumaha elmu-elmu jeung teori diterapkeun kana masalah anu spesifik jeung konkrit. Tuluy bisa nambahan skill urang di samping elmu substansi, sabab meneliti oge ngabutuhkeun skill. Oge nu pasti mah nambahan duit jajan, tapi kudu apal oge yen teu kabeh penelitian aya duitna, ieu alusna dipastikeun jeung kumaha kasapukan ti mimitina. Nambahan relasi, minimal jeung dosen, bisa jadi oge jeung pihak-pihak nu sejenna anu ilubiung kana penelitianna. Nu terakhir bisa diasupkeun kana riwayat pagawean atawa lamun jadi penulis bisa oge asup kana kolom riwayat publikasi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7575", "text": "Geus dua kali abdi ngalaman banjir, ayeuna abdi tos pindah ka imah sorangan. Imah abdi diwangun dina taneuh anu ngahaja rada dijangkungkeun supados teu beunang banjir. Tapi anu ngaranna bencana mah teu aya nu apal. Hiji poe pas nuju usum hujan, di Bandung teh hujan angin badag pisan. Malah saking badagna, cai di walungan geus kalaluar nepikeun beunang jembatan. Abdi ningal ti luhureun imah oge geus sieun pisan ningal cai walungan anu gancang pisan, jaba geus nyembeu ka handap. Teu lila di jalan hareupeun imah oge geus aya cai ti walungan. Kebon di tukangeun imah oge geus kakeeum, untungna cai anu asup ka ruang tamu masih keneh tiasa dieurihkeun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "375", "text": "Urang kira teh lamun kuliah sastra daerah mah moal panggih deui jeung bahasa Inggris, da urang henteu nyokot jurusan sastra Inggris. Palingan di jurusan urang diajarna ngeunaan kawih, tari, teater jeung sajabana pokona hal-hal kasundaan. Tapi pas sababaraha semester kuliah kaduhung nganggap enteng moal panggih deui jeung bahasa Inggris. Boga kamampuan bahasa Inggris teh dibutuhkeun pisan sabab bakal neangan referensi atawa lamun nyieun jurnal internasional mah kudu make bahasa Inggris. Tuluy pas tugas akhir sebagai syarat miluan sidang kudu aya miluan tes TOEFL. Sedengkeun nilai minimalna teh lumayan gede, lamun nilaina teu sasuai syarat nu ditangtukeun kudu ngulang deui nepikeun ka nilaina cukup atawa geus tilu kali ngulang TOEFL. Lamun dipikir-pikir mah malah jadi hambur kana duit oge gara-gara teu bisa bahasa Inggris.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "620", "text": "Bulan kamari urang indit ka klinik sabab kulit urang boleksek jeung aya bisul dina cangkeng. Urang ka klinikna dianteur ku dulur urang ngaranna Syarief. Saenggeus nepi klinik urang langsung nyokot antrian tapi ku sabab beurang ka klinikna atuh meunang nomor antrianna oge rada jauh, kudu ngadagoan 5 jelema mah aya. Pas giliran urang datang, urang dititah asup ka rohangan dokterna tuluy ditanyaan aya karasana naon, ku urang dituduhkeun naon-naon wae nu karasana. Urang rada reuwas ku omongan dokter saenggeus ninggali panyakit urang teh, sabab dokter ngomong urang kudu sabar ngarawat panyakit urang. Ari salila ieu mah diantep lantaran teu nyeuri jeung panya teh teu bahaya.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8202", "text": "Aya hiji kajadian nu janten nyieun Udin sieun disuntik. Kajadianna nyaeta keur Udin sakola SD keneh. Keur Udin sakola SD aya program pamerentah nyaeta vaksin campak. Kabeh budak nu aya di usia sakola kudu nu ngarannna di vaksin campak. Vaksin campak teh dibikeun liwat jarum suntik nu disuntikkeun ka leungeun. Udin mimita wani disuntik, nanging Udin teu nyangka upami disuntik teh rasana nyeuri pisan. Kusabab rewas Udin ngagorowok tur ngabedol leungeun nu keur disuntik. Kusabab eta jarum suntikna janten nyeiun pendarahan di leungeun Udin. Udin nu nempo geutih ngucur ti leungeunna ceurik satarik-tarikna. Ti waktos eta Udin janten sieun disuntik. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "378", "text": "Dumasar kana data ti UNESCO, ngan aya 1 ti 100 jelema di Indonesia nu resep maca jadi bisa disebut ngan 0,001 persen. Saeutikna minat maca mangrupakeun masalah anu dasar jeung mibogaan dampak anu lega pisan jang kamajuan bangsa Indonesia. Salain eta, rendahna kahayang maca oge geus ngabalukarkeun ngaronjatna hoaks jeung salah informasi. Sabab masyarakat nu resep maca pasti bisa ngarti, ngaevaluasi, jeung nyaring informasi. Kudu diayakeun Gerakan Literasi Nasional, Gerakan Literasi Sekolah, Komunitas Pembaca, jeung rupa-rupa gerakan jang ngaronjatkeun kahayang maca. Sagala inisiasi nu bisa ngadorong aktifna gerakan literasi boh di sakolaan atawa di masyarakat kudu tuluy didukung jeung dikuatkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "361", "text": "Urang sok milu ngaji jeung bapa ka Cimareme bada Isya. Harita mah nu kadituna genepan make tilu motor. Bapak urang ngabonceng indung, urang ngabonceng Dadan, tuluy Andri ngabonceng Ali. Harita pas indit mah teu kunanaon lancar diperjalananna. Tapi pas balik rada mulai hujan ngaririncik. Awalna mah teu gede hujan teh tapi lila kalilaan rada gede. Harita aya kana jam 11 an, rek ngiuhan ge geus kagok baseuh. Pas di BBS, sabab hujan gede jadi jalan anu legok teh teu katinggali. Kabeneran urang nyalip treuk, tapi legok dihareupna teu katinggali tungtungna labuh di tengah jalan. Untungna teu ka geleng da urang langsung cengkat jeung nyisi ka sisi jalan. Kapaksa disetiran heula ku Ali. Nepi imah teh ditinggali awak garetihan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8545", "text": "Nalika aya anu nyarios yen anjeunna bau goreng, aranjeunna tiasa ngarasa isin sareng teu aman. Eta bisa ngarasa teu nyaman sarta hariwang ngeunaan kumaha batur ngarasa aranjeunna. Isin jeung harga diri bisa mangaruhan kapercayaan diri sarta nyieun hiji jalma ngarasa teu nyaman dina situasi sosial. Seueur jalma malah sieun ngobrol atanapi berinteraksi sareng jalma sanes kusabab hariwang aranjeunna bakal ngajantenkeun jalma sanes teu genah ku bau awakna. Era anu jero ieu tiasa nyababkeun setres sareng mangaruhan kualitas kahirupan hiji jalma. Ieu tiasa janten pangalaman anu ngerakeun pisan sareng ngabahayakeun kapercayaan. Nanging, kedah emut yen masalah bau awak tiasa kajantenan saha wae sareng tiasa gampang diatasi ku ngajaga kabersihan sareng mastikeun baju sareng awak salawasna beresih sareng bau.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5926", "text": "Basa nuju ngaliwat dina jalan nu poek wengi-wengi teh, abdi make motor sorangan. Keur di tengah perjalanan teh jol aya motor nu nuturkeun wae sapanjang jalan. Euweuh kandaraan nu liwat hiji-hiji acan. Jol pas digigireun, eta motor ngeureunkeun paksa bari mepet motor abdi. Geus eureun, abdi ditodong make sanjata tajam jiga celurit, supaya ngeurahkeun hape jeung dompet. Abdi nyerahkeun hape jeung dompet bari rasa sieun jeung deg-degan bisi dibacok. Pikiran meuni geus teu paruguh da sieun, teu wani ngalawan sama sekali. Harita asana teh rek ceurik bakat teuing ku sieun, meuni euweuh nu nulungan jeung euweuh nu wanieun eureun jang ngalindungi pisan. Ti saprak harita abdi sieun jeung teu wani bijil ti peuting deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8986", "text": "Aya pangalaman nu moal bisa diopohokeun ku kuring mangsa keur budak. Harita, kuring jeung kolot sarta dulur-dulur kuring wangsul nganjang ti pun uwa nu linggihna di lembur nu rada tebih ti desa kuring. Jalana ngaliwatan pasawahan jeung walungan nu rada badag. Ngan untungna caina keur saat nepika katingal taringgul batuna. Kacaritakeun, pas ngabring hanjat ti walungan, katingal aya munding nu keur diangon. Mimitina munding teh katingal anteng ngahakanan jukut. Ngan teuing kunaon, pas bagian kuring hanjat tina wakungan kana galengan, eta munding katingal rada ngagerem bari sukuna tetejeh. Ningal kitu, kuring kacida soakna sieun eta munding ngudag ka kuring. Kuring lumpat satarikna muru ka pun bapa nu rada anggang ngalengkah tipayun. Ningali kaayaan kitu, sadayadana ge teu aya nu teu panik, kabeh rareuwas sabab munding teh geus taki-taki rek ngudag kuring. Barang kuring geus deukeut ka bapa, bapa kuring ngajewang salendang nu nyampai dina taktak kuring terus dikuel-kuel diasupkeun kana kantong. Kuring karek sadar yen salendang nu dipake ku kuring teh warna beureum burahay jiga cabe. Paingan atuh eta sakadang munding teh rek ngudag da ningal warna beureum.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6954", "text": "Saatos gagal di SNMPTN, abdi nyobian deui asup kuliah nganggo jalur SBMPTN, nyaeta seleksi asup perguruan tinggi negeri nganggo nilai ujian. Abdi milih tilu jurusan, anu kahiji nyaeta Ilmu Hubungan Internasional Unpad, kadua Ilmu Hukum Unpad, jeung Sosiologi Unpad. Pas ngerjakeun soal abdi bener-bener teu fokus, seeur soal anu teu tiasa dijawab abdi oge hayang geura2 diumumkeun hasilna jeung tos mihareup pisan tiasa katarima di salah sahiji pilihan. Pas diumumkeun abdi teu lulus kamamana, ieu ngajieun abdi sadar kedah nyiapkeun ujian lewih serius deui. Abdi kedah nambal materi-materi anu teu acan dikuasai. Abdi oge janten tara nonton jeung tara ulin hape supados fokus nyiapkeun keur kuliah di taun hareup.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6380", "text": "Basa nuju ujian sakola, diukna saurang-saurang dina sameja teh. Tah, Regi teh kabagean diuk di meja pang tukangna, di tengah-tengah deuih. Pas ditetengah waktu ngerjakeun, Regi teh sering diskusi jeung babaturan nu di gigireun nana. Pas babaturanna nanyakeun jawaban ka Regi, Regi teh keur ngalieuk ka manehna. Eh tuluy aya guru nu nempoeun eta. Jadi we Regi disampeurkeun ku guru. Disangkana Regi nu niron, padahal babaturan na nu niron ka Regi. Regi ngarasa era pisan da sabab disampeurkeun bari ditempo lembar jawabanna ku guru nu keur ngawas. Guruna ge nepi ka haharewosan bari nempoan Regi. Harita ngarasa isin pisan Regi dikitukeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4397", "text": "Hubungan nanaon oge kapercayaan teh jadi konci utama, komo dina hubungan percintaan. Urang lamun keur aya di jero hubungan percintaan tangtu na boga loba batasan batasan komo ka lawan jinis na. Kusabab urang kudu ngajaga perasaan pasangan urang. Urang lamun boga pasangan kudu pangertian jeung saling percaya. Tapi ada pangecualian lamun salingkuh, salingkuh teh salah sahiji kasalahan gede anu teu bisa urang toleransi di hubungan boh keur bobogohan keneh atawa komo lamun geus nikah. Salingkuh sarua jeung teu ngahargaan jeung nyerikeun hate pisan pasangan urang. Salingkuh oge biasana osok di ulang deui jeung deui. Matak lamun pasangan urang salingkuh urang wajar lamun ngambek.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1354", "text": "Sanajan urang boga piaraan ucing, tapi sok geuleuh ninggali kotoran ucing. Keur mah urang teu make pasir jang digunakeun ku ucing, jadina ucing teh modolna di mana wae. Mindengna mah modol di lantai, bahkan pernah di karpet ge. Atuh jadi kudu diseuseuh di laundry, da urang mah embung nyeuseuhna. Mun urut modol di lantai biasana langsung diseblok ku cai anu loba tuluy di pel. Embung diceumpal da ngadeukeutanna oge embung, geus ngarasa geuleuh pisan, komo mun nyeumpal mah sigana bakal kabayang-bayang terus sapopoe. Kotoran ucing bauna teh sok menyengat pisan, komo mun diantep beuki menyengat, matak mun dililakeun mah beuki geuleuh. Kudu geura-geura diberesihkeun. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "710", "text": "Urang boga rambut galing jeung kulitna warna hideung, jadi pas keur leutik urang sok dihina ti Papua cenah padahal Papua ge da sarua keneh jelema. Ari keur budak leutik mah maklum eta hinaan teh peureus pisan sabab acan ngarti. Urang dihina kieu teh pas keur budak keneh ulin jeung babaturan maen kaleci, ku sabab urang meunang wae ari manehna elehan wae, jadina teh manehna jol ngahina fisik urang. Ngahina urang bari moyokan dasar ti Papua. Urang teu narima ku urang dibales make omongan kasar bari ngahina manehanana oge, sabab parea-rea omong tungtungna mah jadi galelut di lapangan teh, tapi untungna mah aya nu misahkeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3014", "text": "Paningkatan parah tina kaayaan psikosomatik ieu nyaéta parasaan kaleungitan eling sareng kalemahan awak kusabab tegang teuing. Dina waktos anu paling parah kuring ngan ukur tiasa ngagolér di lantai, sareng teu tiasa ngalakukeun nanaon, bahkan henteu nelepon pitulung atanapi ngobrol. Kaayaan ieu bakal dijalankeun sakitar 10 menit - pangpanjangna kuring dina 2 jam. Saatos kaayaan fisik ningkat, biasana aya rasa sieun ngulang kajadian anu sami supados awak janten tegang sareng dina kaayaan waspada kaleuleuwihan. Sering kasadaran ieu nyababkeun kuring ngalaman gangguan méntal kusabab rarasaan teu aya kakuatan pikeun serangan panik anu muncul ngadadak sareng sigana di luar kendali kuring.\nSerangan panik anu terus-terusan tiasa nyababkeun panyakit jiwa salajengna, nyaéta gangguan panik bahkan tiasa maju ka depresi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8463", "text": "Mama Risa sering ka pasar. Anjeunna tiasa angkat ka pasar tilu dugi ka opat kali saminggu. Anjeunna sering ka pasar kusabab anjeunna gaduh usaha anu ngabutuhkeun anjeunna nyeepkeun seueur kabutuhan pikeun usahana. Tapi unggal ka pasar Mama Risa pasti ngajauhan hiji tempat di pasar. Tempatna di pojok tukang pasar. Ieu tempat para padagang miceun barang daganganana. Mamah Risa ngajauhan ieu tempat sabab sok ngarasa jijik lamun nempo kadaharan anu ruksak. Anjeunna karasaeun goreng sareng seueul nalika ningali tuangeun busuk. Sadinten malah teu tiasa tuang sabab emut kana tuangeun busuk anu katingali di pasar. Kusaba eta Mama Risa salalu ngahindar ngaliwatan ieu tempat.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9152", "text": "Lamun urang ningali utah, urang bakal ngarasa jijik jeung ngarasa kawas hayang utah ogé. Lamun urang ngarasa jijik ku hiji hal sarta ngajadikeun urang ngarasa kawas hayang utah, meureun rasa seueulna the disababkeun ku sabab awak urang boga sinyal unik nu mere tanda yen hal eta teh bahaya. Otak manusa kacida kuatna, nepi ka nalika narima gambaran ngeunaan hiji hal anu bisa jadi racun, kawas dahareun basi, jeung hal jijik lainna, otak bagian handap urang ngirimkeun sinyal ka awak pikeun ngordinasikeun kalakuan hayang utah. Utah mangrupikeun refleks pelindung awak nalika ningali atanapi nelen racun. Sajaba ti éta, utah ogé bisa ngurangan tekanan alatan halangan atawa pembesaran organ anu ngabalukarkeun tekanan dina saluran pencernaan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8213", "text": "Tong sieun janten saksi kacilakaan. Justru ieu teh kawajiban urang salaku manusa pikeun ngabantos manusa sejen salah sahiji carana janten saksi kacilakaan. Seueur kacilakaan nu penyelasaianna teu adil komo deui upami kacilkaanna ngalibatkeun pejabat-pejabat. Pejabat-pejabat teh tos pasti embung disalahkeun sanajan manehna nu bener-bener ngalakukeun kasalahan. Ku kituna urang kudu ngabantos jalma nu kacilakaan khususna jalma nu teu menang kaadilan. Urang kudu negakkeun nu ngaranna kabeneran ulah nika keun kusabab boga jabatan batur janten ninggalkeun tanggung jawab, dina konteks ieu pajabat nu janten penyebab kacilakaan. Seueur jalmi nu bakal ngabelaan tur ngadukung urang upami urang bener-bener ngabela nu saleresna bener.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5153", "text": "Zaman ayeuna mah sok aya undian online anu sok liwat dina iklan. Kade tong nepi ka tergiur kunu kitu sabab sabagian besar na teh hoax. Sok aya model undian na teh hadiahna mobil, motor jeung sagala rupa. Mun hoyong kupon undian na aya nu kudu meuli, aya nu kudu ngeusian data diri lengkap. Pokokna mah kade, zaman ayeuna mah hoax dimana-mana. Kudu pinter-pinter urang neangan informasina. Ku kituna, yuk biasakeun budaya baca informasi nu bener jeung kudu ngenal nu disebut hoax. Urang kudu jadi pengguna sosial media nu pinter jeung cermat. Ulah babari kagiur ku iming-iming hadiah. Hayu urang babarengan berantas hoax!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2890", "text": "Jigana ampir kabéh geus ngalaman bullying. Ngan sakapeung aya urang anu teu sadar. Aya anu nganggap ieu kakuatan anu luhung anu urang teu tiasa ngalawan sareng tetep nyobian nampi, aya anu teu malire dugi ka tukang bully eureun kusabab capé, aya anu henteu sanggup dibully terus-terusan ngalakukeun hal-hal. anu teu disangka-sangka. Dina pamanggih kuring, bangkit tina bullying nyaéta pikeun mikawanoh poténsi sorangan sareng nunjukkeun yén urang henteu pantes dipandang rendah. Urang tiasa ngalakukeun naon anu urang resep tanpa beban atanapi paksaan. Sarta ulah hilap salawasna masrahkeun sagala urusan urang ka nu nyiptakeun.Tapi saméméh urang némbongkeun yén urang pantes dianggap, utamana premanisme, urang kudu nyingkahan bully saloba mungkin. Sabab kumaha bae kaayaan urang, nu ngabully tetep ngarasa leuwih punjul ti urang. Sareng naon anu urang laksanakeun anjeunna paling dipikaresep leres-leres henteu resep.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1094", "text": "Aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun jang ningkatkeun kasalametan jeung ngurangan resiko cedera atawa karuksakan pas kajadian bencana alam. Hal mimiti nu kudu dilakukeun nyaeta tetep tenang ulah jeung mikir jernih. Hindari ngalakukeun tindakan impulsif jeung berusaha mertahankeun kasabarah dina situasi nu sulit kawas kieu. Nu kadua prioritaskeun kasalametan pribadi jeung kulawarga heula. Teangan tempat nu aman jang berlindung, hindari wilayah nu rawan bahaya, jeung ulah balik heula ka imah atawa tempat sejen nu kakeunaan dampak bencana. Nu terakhir urang kudu milu kana arahan pihak berwenang, siga petugas pemadam kebakaran, polisi, atawa dinas penanggulangan bencana, lantaran maranehna mibogaan pangaweruh jeung pangalaman nu leuwih alus dina nyanghareupan situasi darurat kawas kieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "281", "text": "Urang gawe di salah sahiji Wedding Organizer anu aya di Cimahi. Unggal poe libur Sabtu atawa MInggu geus biasa ka tempat kawinan, tapi tujuanna gawe lain kusabab kenal tuluy di ondang. Tiap geus sholat subuh urang geus siap-siap indit ka gedung atawa ka imah klien nu kawinan. Baju oge kumaha kasapukan, sabab aya tilu baju Wedding Organizer. Aya baju batik, baju bodas bari make dasi, jeung baju crew WO anu bentukna PDL. Lamun di gedung sok wareg dahar, sabab loba pisan menuna jeung rupa-rupa. Tapi karasa oge leuwih cape tibatan lamun kawinan di imah mah. Tapi sanajan kitu, urang tetep bungah sabab bisa ninggali momen-momen kawinan batur. Lamun batur bungah urang oge ngarasa bungah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2951", "text": "Cara kuring prakna ngalengitkeun rasa bersalah atau geus ngalakukeun salah nyaéta narima. Narima kemungkinan anu bakal kajadian. Upami abdi lepat, abdi nampi. Lamun teu salah tapi ngarasa kaliru, kuring nyoba ngayakinkeun diri yen eta teu lepat kuring. Kuring kudu ngaktipkeun logika kuring tinimbang rasa kasalahan ieu datang. konci téh cinta diri. Upami anjeun bogoh ka diri anjeun, teras nampi akibat tina naon anu anjeun lakukeun. Upami anjeun bogoh ka diri anjeun, maka anjeun bakal terang yén henteu sadayana kajadian kusabab anjeun sareng masalah henteu dipuseurkeun ka anjeun. Upami anjeun masih nganggap ieu sapertos kalepatan kuring, teras hapunten ka diri anjeun sareng langsung hapunten.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6263", "text": "Sok geuleuh jeung jiji pisan mun ningali toilet umum teh, sabab biasana sok jarorok pisan. Geus beres make teh sok tara dibanjur deui, jadi we bau pisan jeung teu bisa dileungitkeun bauna. Tehel jeung tembok na ge jadi kalotor jeung barau. Komo mun di toilet umum nu sering pisan dipake jalma loba mah, nya barau, nya barecek, nya caina teu ngocor deuihan. Mantak, dari pada ka toilet umum, mending ka toilet alfamart we nu geus kajamin kaberesihan nana. Dari pada seueul bau jeung jorok bisi aya panyakit nu napel, mending ge neangan alfamart we supaya leuwih beresih jeung caraang tempatna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9205", "text": "Kuring paling teu resep ka dahareun anu beunang kokotor pedah ku tempatna teu beresih tur bener. Jaman ayeuna mah geus loba tempat makan anu di luar rohangan bari teu ditutupan nanaon. Padahal kan lamun kitu bakal ngajadikeun eta dahareun teh kakeunaan ku rupa-rupa kokotor. Bisa tina haseup mobil jeung motor, bisa oge tian laleur nu entep ka eta dahareun. Tina kokotor eta teh kan bakal ngadatangkeun rupi-rupi panyakit. Kuduna lamun rek ngabangun rumah makan teh ulah aya tempat nu di luar rohanganna. Teras korsi anu aya di jero rohangan oge kedah diayakeun lilin seungit jang ngusir laleur. Soalna laleur mah bisa bertelor dimana wae, ulah sampe eta telorna teh kadahar ku urang. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5138", "text": "Saur abdi mah, meser barang ngangge acis pribadi teh jadi hiji kabanggan pisan. Nabung kangge meser barang nu dipikahoyong teh bisa jadi bukti bahwa urang teh geus bisa diajar mandiri, teu nyusahkeun kolot deui. Komo mun kolotna anu usahana saaya-aya jeung panghasilanna sacukupeun, pan janten nabahan beban pami teu diajar mandiri mah. Ku kituna, urang kudu diajar mandiri ku nyukupan sagala kaperluan make hasil sorangan. Insyaallah berkah jeung urang, komo mun nepi ka bisa mere ka nu jadi kolot mah. Salian eta, barang nang meser nyalira mah pasti sensasina beda, aya rasa bungah nu teu bisa kagambarkeun ku kata-kata, sabab urang sorangan nu apal perjuangannana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4393", "text": "Ngahina fisik batur bari seuri seurian sering dilakukeun tur dianggap remeh. Kanyataanna, body shaming bisa ngabalukarkeun gambar diri negatip di panon batur. Korban ejekan bakal ngarasa dirina cacad jeung sia. Hasilna, aranjeunna tiasa ngalaman setres anu nyababkeun depresi. Upami ieu pasualan, saha anu kedah tanggung jawab? Anu leuwih parahna, korban body shaming bakal condong ngalakukeun sagala rupa cara sangkan bisa ditarima ku lingkunganana sarta henteu jadi \"olok-olok\". Depresi anu dialaman ku korban body shaming lain ngan ukur rasa sedih. Maranehna bakal boga dampak ti dua sisi, nya eta fisik jeung psikologis. Dmapak ieu teh bisa parah pisan komo keur kahareup na. Lamun urang aya di kondisi kawas kitu urang kudu wani ngalawan jeung bales carekan, urang berhak ngalakukeun eta. Eweuh salah sahiji manusa anu bisa di hina, kusabab Allah geus ciptakeun urang sampurna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8180", "text": "Urang teh kudu eren percanten kana carita-carita nu diturunkeun turun temurun khususna carita nu nyieun pikasieunen. Carita nu nyieun pikasieunen teh tiasa ngaganggu psikologis sareng ngagentos pola pikir urang. Psikologis urang tiasa kaganggu kusabab janten sieunan komo keur peuting atanapi aya keur aya di tempat nu angker. Pola pikir urang janten kagentos nu asalna berpikiran logis janten berpikiran saayana, gancang nyimpulkeun hiji perkawis. Contona upami aya sora dina para ulah langsung mikir eta teh jurig kusabab tiasa wae eta teh careuh atanapi beurit. Ku kituna hayu urang stop percanten percaya kana nu kararitu, urang mulai biasakeun berpikir logis ti ayeuna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7283", "text": "Tos tilu taun rerencangan kuring nikah, tapi nepi ayeuna anjeunna teu acan dipasihan murangkalih, abdi salaku rerencangan mah ngan tiasa ngadu'akeun sangkan manehna tiasa dipasihan murangkalih dina waktos anu pas. Tapi manehna tos hoyong pisan gaduh murangkalih. Sadaya usaha tos dilakukeun mulai ti promil make sababaraha ubar, diurut, jeung terapi tapi angger we teu acan aya hasil. Aranjeunna tos sababaraha kali bulak balik ka dokter kanggo diparios. Akhirna taun ieu aranjeunna mutuskeun kanggo miluan program orok tabung. Manehna teu ngarep seeur tapi ngalakukeun anu pang sae na. Teu lila manehna masihan kabar yen program orok tabung eta teh berhasil, manehna tiasa hamil.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9542", "text": "Fahmi mangrupikeun pamuda anu gaduh sumanget tina usaha pikeun ngahontal hasil anu langkung sae unggal dintenna. Anjeunna gaduh rupi-rupi ide cemerlang anu bakal laksanakeun dina kahirupan sapopoe. Hiji mangsa, walikota ngayakeun seleksi pikeun manggihan pamuda inspiratif di kota. Fahmi, nu ngarasa loba potensi jeung miharep bisa mere kontribusi ka masarakat, antusias ilubiung dina seleksi ieu. Sanggeus ngaliwatan tahapan seleksi anu ketat, ahirna Fahmi kapilih jadi salasahiji pamuda inspiratif anu baris meunang pangajen ti walikota. Anjeunna bagja pisan sareng bangga ku kasuksesan anu dihontal. Dina acara pangajen, Fahmi dibéré kasempetan pikeun biantara di hareupeun balarea. Anjeunna ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu parantos ngadukung anjeunna dugi ka ayeuna. Walikota oge mere ganjaran ka Fahmi kalayan mere plakat jeung duit pembinaan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4694", "text": "Ambek-ambekan mangrupa wujud karep pikeun manusa. Asih teu salawasna kudu ku ngucapkeun kecap manis, gently stroking sarta nangkeup haneut. Kaasih henteu salawasna kedah diwujudkeun dina bentuk \"lembut\".Ambek-ambekan mangrupa salah sahiji tina rupa-rupa bentuk kaasih. Naha ambek? Tangtu moal aya haseup tanpa seuneu, moal aya amarah tanpa sabab. Ungkapan ambek biasana timbul kusabab \"metode anu saé\" henteu jalan, janten anjeun kedah langkung teguh. Misalna lamun kolot ngageroan budakna. Tangtu kolotna nyaah ka budakna sabab nyaah ka budakna. Aranjeunna henteu hoyong budakna murag tina rél anu diajarkeun ku kolotna. Utamana lamun kalakuan budakna ngajleng.Bayangkeun, upama kolot budak ngidinan budakna bandel, upamana bolos sakola, kurang ajar ka babaturan di sakola, atawa leuwih goreng deui ngahina guru. Kolot kadang ngarelakeun dirrin a di benci teu di pikaresep ku budak na tuluy ngajieun budak na sieun sangkan budak na bisa jadi jalema anu hade.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "321", "text": "Saberes kuliah ti taun 2019 nepikeun ka ayeuna 2022 urang ngarasa gagal, sabab geus lulus kuliah teh can jadi nanaon, dibanding jeung babaturan nu sejenna aya nu geus punjul dina karierna, akademikna, atawa geus karawin. Sedengkeun urang dina segi karier, akademik, jeung kawin ge acan. Ngarasa kahirupan urang stuck jeung teu berkembang. Nepikeun ka tiap peuting sok overthinking mikiran kahareupna kudu kumaha. Urang ngarasa miceun waktu nu berharga, keur mah masih ngora masih keneh produktif masih gede tanaga tapi ku urang teu dimaksimalkeun. Pernah oge hiji peuting urang ceurik sabab ngarasa gagal dina kahirupan, ninggali batur geus jadi jelema, sedengkeun urang ninggali diri sorangan asa pikarunyaeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8941", "text": "Abdi ayeuna jadi guru privat, abdi gaduh hiji murid, namina Dila. Ampir dua taun Dila teu sakola di sakola, tapi les privat di imahna atawa home schooling. Ceuk indungna, baheula teh Dila budakna bageur jeung resep nyaritakeun loba hal. Dila ogé budak anu ramah tur bageur ka saréréa. Tapi waktu harita Dila ngalaman dibully ku babaturanana di sakola. Ampir unggal poe Dila sok dibully ku babaturanana, Dila pernah jadi budak tugas babaturanana, malah Dila pernah dikonci di gudang sakola sapeupeuting. Ahirna kolotna Dila mutuskeun Dila sina sakola di imah wae. Éta oge nu ngajadikeun Dila ayeuna jadi budak moyok, hese seuri, sarta geus jarang ngobrol deui siga baheula.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2945", "text": "di nagara loba jalma nurut kana hukum sabab sieun hukuman. Tapi, anu pangsaéna nyaéta jalma anu taat kana hukum sanés kusabab sieun tapi kusabab cinta ka ibu pertiwi, cinta ka Gusti, sareng cinta ka batur. Ayeuna, bayangkeun upami teu aya tindakan atanapi hukuman pikeun jalma-jalma anu ngalakukeun kajahatan, kumaha dunya ieu? Kacau! Sumuhun, leres, kacau. Sabalikna, jalma nu nyaah ka Allah jeung nyaah ka sasama, sanajan teu sampurna, teu resep ngalakukeun nu jahat.\nIlustrasi séjén, indung migawé kahadéan ka budakna. Anjeunna ngalakukeun ieu sanés kusabab sieun ka jalma anu lemah tapi kusabab kanyaah ka aranjeunna. Sabalikna, upama ieu budak ngarasa kanyaah indungna, tangtu bakal nyaah ka indungna, leuwih ti batan sieun, kahéman, atawa hormat.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4358", "text": "Ulang tahun nyaeta salah sahiji momen anu paling di tunggu tunggu jeung paling membahagiakan dina hirup manusa. Ulah tahun teh di anggap sabage acara yen urang ngucapkeun syukur ka gusti Allah kusabab urang masih keneh di bere umur jadi bisa nipungan tanggal lahir unggal taun. Ku matak kitu momen ulang tahun teh momen spesial jadi biasa di rayakeun. Bentuk ngarayakeun na oge beda beda tiap jelema. Lamun urang leuwih resep ulang tahun teu di rayakeun tapi di jadikeun renungan yen umur urang geus ngurangan deui jadi kudu jadi jelema anu leuwih hade kahareupna. Tapi ku kitu na alhamdulilah unggal taun sok aya wae babaturan anu mere surprise, sababaraha taun katukang komo babaturan mere surprise peuting peuting eta mah bener bener urang reuwas teu sangka bakal di bere kejutan. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8167", "text": "Phobia teh tangtos ngaganggu kagiatan urang sapopoe. Upami ningali perkawis nu nyieun phobia urang kumat ieu janten ngarepotkeun sareng ngaganggu pisan. Pikeun ngaringankeun efek phobia urang tiasa ngalakukeun teknik relaksasi supados rasa hariwang tur kasieun urang reureuh. Atanapi tiasa oge barobat ka dokter. Upami barobat ka dokter biasana nganggo ubar-ubaran atanapi metode psikoterapi. Metode psikoterapi tiasa mangrupa terapi eksposur pikeun ngubah persepsi atanapi sudut pandang urang ka hiji perkawis sareng cognitive behavioral therapy (CBT) nu ngagabungkeun terapi eksposur sareng terapi nu sejen. Salian metode psikoterapi eta, phobia oge tiasa diubaran liwat ubar-ubaran nu diharepkeun tiasa ngurangan efek atanapi gejala ti phobiana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9199", "text": "Cara katujuh pikeun nyegah kadaharan gancang busuk nyaéta nyimpen kadaharan kaléng kalayan bener. Urang kedah terang kumaha nyimpen kadaharan kaléng anu leres supados henteu gancang busuk. Sanajan dahareun kaléng boga umur simpen panjang, tapi lamun dina suhu diluhur 37,7 darajat Celsius bisa ngabalukarkeun kadaharan kaléng busuk. Nyimpen kadaharan kaléng dina tempat anu garing sareng rindang. Ulah nyimpen lila teuing di tempat nu kakeunaan sinar panonpoé langsung atawa boga suhu leuwih haneut ti 24 derajat celcius. Sabab ku cara kitu, kadaharan bisa leungit gizi, rasa jeung warna aslina. Kadaharan kaléng ogé kedah asak kana suhu sareng waktos masak anu disarankeun. Ieu pikeun mastikeun yén baktéri pembusuk jeung baktéri patogén nu bisa tumuwuh di jero kaléng bener-bener leungit.\r\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5118", "text": "Jalur asup kuliah teh beda-beda, aya SNMPTKIN, UMPTKIN, SNMPTN, SBMPTN, jeung jalur mandiri. Tah sok aya we nu ngabanding-bandingkeun teh. Paribasa mun asupna lewat jalur SNMPTN mah cingcirining jalma beruntung, mun asupna lewat SBMPTN teh cingcirining jalma pinter da bisa lolos teh, mun jalur mandiri dicirikeun anak nu loba duit, mun SNMPTKIN jeung UMPTKIN dicirikeun jang jalma anu islami pisan. Tah eta teh henteu tepat pisan, sabab kabeh jalma nu daftar teh da sarua berjuang sarua berkorban, ngan meureunan bedana dina milik rezeki. Meureun lain rezekina di A, tapi ayana di B. Teu kudu disaruakeun jalmi mah, da angger pami lebet kuliah mah tujuanna sami, hoyong neang elmu. Kade ah baraya, persfektif kieu tah nu kedah dipasihan pamahaman teh.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7523", "text": "Dinten ieu mangrupakeun jadwalna abdi kedah dicabut huntu anu pang tukangna. Awalna mah pas abdi nuju diberesihan karang huntu, dokterna masihan apal yen abdi kedah geura nyabut hiji huntu anu pang tukangna lantaran tos bade nabrak huntu anu sanesna. Abdi langsung jangjian sareng dokterna kanggo jadwal nyabut huntu. Pas abdi bade angkat ka klinik, abdi asalna moal janten ka klinik lantaran teu siap bisi nyeri jeung teu tiasa emam bebas. Abdi oge tataros ka sababaraha rerencangan anu tos pernah dicabut huntu, cenahmah sanajan tos dibius oge tetep karasa pas dicabut. Tapi anu abdi rasakeun mah malahan leuwih nyeri pas disuntik biusna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3377", "text": "Caritana neuteup ti kajauhan \"ahh kenal si ieu\" pas deukeut ka si PD manehna nepak taktak bari ngagorowok *wooyyy* pas eta jelema teh neuteup beungeutna reuwas... ternyata salah jelema!\n\nRejeki ieu carita babaturan kuring tapi kuring aya hahahahaha.\n\nAbdi sareng rerencangan nuju ka mall, ti tebih rerencangan abdi nyarios anjeunna parantos terang jalma ieu, janten kuring nuturkeun babaturan kuring sareng sumping ka éta jalma. sanggeus diketok taktak na *woyyy* ternyata salah jelema.\n\nsobat kuring cicingeun, éta jalma ogé cicingeun, kuring henteu ngan ukur seuri ka éta jalma sabab kuring nganggap anjeunna sobat sajati. Teu kungsi lila babaturan kuring ngomong \"punten, salah jalma\" tuluy kabur ninggalkeun kuring nu ngan cicing-cicing lantaran reuwaseun. jalma neuteup kuring cicingeun sarta kuring ogé neuteup ka anjeunna sangkan urang nempo manehna cicingeun. ahirna kuring ngomong \"punten, hampura, sobat kuring gélo.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9202", "text": "Kuring teh mangrupikeun jalma anu resep tuang, tina lada, asin, amis, haseum, sadayana anu kuring resep. Sareng kuring resep pisan kana tuangeun anu digoréng, sapertos gorengan, endog goreng, hayam goreng, sareng sajabana. Tapi aya hiji hal anu bisa nyieun kuring teu mood nalika dahar, nyaéta lamun dahareunna kotor. Harita kuring ngagaleuh gorengan, pas didahar mah rasana enak, teu aya anu aneh, tapi saprak geus beak dua gorengan, aya anu aneh dina gorengan nu keur di dahar teh. Kuring manggihan yén Bala Bala nu keur di dahar teh aya buukan, Panjang. Pas kuring nempo éta, kuring langsung hayang utah sabab jiji ningali buuk anu didahar, komo geus asup kana mulut kuring. Kuring geuwat kukumur mulut kuring pikeun ngabersihan mulut kuring, bari ngalungkeun jauh eta bala-bala nu aya buukan the sarta masihan sesa gorenganna ka adi kuring.\r", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5938", "text": "Salah sahiji hal nu dipikasieun ku loba jalma nyaeta getih. Biasana seueur jalma nu sieun mun nigali getih teh, malahan mah aya nu nepi ka phobia getih. Mun ningali getih teh sok ngageter, seueul, lieur, jeung sajabana. Mun ningali getih teh hawa langsung teu ngeunaheun, rarasaan asa teu paruguh, lieur nepi ka hayang pingsan. Padahal meureunan kan ieu ngan geutih hungkul, tapi emang teu bisa dianggap sapele ka jalma nu sieuneun mah, komo mun nepi ka trauma mah. Mun aya getih teh sok langsung hayang ngahindar wae. Phobia getih teh bisa disebabkeun sababaraha faktor, diantarana nyaeta kondisi mental, traumatis masa kecil, malahan aya oge nu disebabkeun ku katurunan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "352", "text": "Keur sakolaan SD urang mindeng dititipan indung duit leuwih jang ditabung, biasana Rp 500 jang jajan urang, sedengkeun jang nabung Rp 1.000. Tapi duitna teh sok ku urang kurangan jadi nu nepi ka guru jang ditabung teh ngan satengahna. Ku urang sok dibeulikeun kana mainan atawa sok dibeulikeun kana kaleci. Nepikeun pas pembagian tabungan, indung urang heran naha total tabunganna saeutik. Tidinya urang dicarekan jeung ngarasa urang anu salah, sabab teu amanah nabungkeun duit nu kolot. Urang teu ukur cicing, tapi urang aya niat ngagantian ku cara urang ngajualan buku gambar pas kelas 1 SD keneh. Hasil duitna ku urang bayarkeun ka indung.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7823", "text": "Lamun saurang nuju hamil, biasana hirungna sok leuwih sensitip kana bau. Komo lamun ngambeu bau hanyir. Hal ieu anu nuju dirasakeun ku rerencangan kuring. Basa abdi datang ka imahna, abdi kabeneran nuju mawa pempek, da sugan teh manehna bakal resep. Tapi pas abdi nyuguhkeun jeung ngagorengkeun empek-empek, manehna langsung utah lantaran teu kiat kana bau hanyir pempek kulit anu bauna lumayan kuat. Padahal biasana sateuacan hamil mah manehna resep pisan kana pempek jeung ceuk kuring mah da bauna teu pati kaambeu. Teu lila manehna langsung ngahurungkeun panyaring udara supados bau hanyirna leungit. Padahal aslina manehna hayang pisan ngadahar pempek, tapi teu kiat pisan kana bauna. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6920", "text": "Taun ieu janten taun paling beurat kanggo abdi jeung kulawargi lantaran abdi kedah di-PHK ti tempag abdi gawe ayeuna. Hiji poe basa nuju di kantor, abdi jol digeroan dipiwarang datang ka ruangan HR. Abdi deg-degan pisan lantaran lamun digeroan teh biasana aya dua kamungkinan. Aya kamungkinan abdi bakal naek jabatan atanapi di-PHK. Abdi ngarasa salila ieu pagawean abdi alus-alus wae, teu pernah nyieun masalah. Tapi pas HR ningal abdi teras nyungkeun hapunteun abdi tos apal yen manehna bakal masiham kabar anu kirang sae. Epekteh bener we abdi ayeuna di-PHK. Untungna abdi dipasihan waktos dua minggon kanggo milarian gawe anu anyar.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9244", "text": "Pernah sakali kuring ngalam kajadian anu ngerakeun pisan. Harita teh keur aya kagiatan vaksin di kantor RW. Kuring indit jeung lanceuk kuring, harita teh kuring karek balik ngajar jadi make acuk batik keneh. Pas nami kuring digeroan, kuring maju ka hareup. Di samping kuring, kuring ningali aya lalaki anu acukna sarua persis siga kuring. Model batikna teh lain seragam ti sakola, kuring meser sorangan, tapi naha bet aya nu sarua persis acuk batikna siga kuring. Kuring era pisan kulantaran tanaga kasehatanna teh nanyakeun ka kuring eta salaki kuringa atawa heunteu, soalna meuni pasangan kitu acukna ceunah. Bari lain hiji jalma anu nanyakeun kitu teh loba, boa mereun si lalaki eta oge era ningali acukna sarua jeung kuring. Geus berse di vaksin, kuring gura-giru balik ninggalkeun lanceuk kuring, era bisi panggih jeung lalaki eta. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2886", "text": "Aya hiji guru anu ngagoda kuring. Kuring ceurik pikeun manéhna. Sanaos anjeunna guru anu ketat. Jadi manehna sok ngagoda kuring, ngagero kuring ku nada manja kitu, ngageroan ucing jeung sajabana, jadi kuring dipikabenci ku babaturan kuring (sabenerna babaturan kuring bener-bener buruk, kuring henteu terang kasangsaraan babaturanana). Lajeng sakapeung maranéhna nyekel kuring, kawas noel dina cangkéng kuring, ciwit pipi kuring. Astaghfirullah, jujur ​​kuring teu betah pisan !!. Lajeng anjeunna diuk gigireun kuring mawa loba buku pikeun koreksi. Anjeunna keur ngobrol jeung sobat kuring nu diuk tukangeun. Abdi? masih ceurik. Tapi ku kuring ditutupan ku rambut supados henteu katingali. Abdi éra nalika jalma terang yén kuring ceurik. Guru ngajak ngobrol, kuring teu maliré. Nu séjén ngan ukur leumpang bari ningali. Lantaran teu tahan lila diuk didinya, ahirna kuring ngaléos ka guru. Kuring ngageser sukuna!!. Aneh!! Naha guru bisa kitu ka barudak SD?! Abdi émut pisan namina guru éta Pak Nurhali.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "615", "text": "Mun rek mere hadiah oge leuwih alus mah barang anu kapake jangka panjang, ulah hadiah anu babari ruksak atawa kamakan waktu. Pernah oge pas wisudaan loba pisan anu mere kembang, sabenerna alus jang simbolis, tapi mun ceuk urang mah lebar. Sabab salian teu bisa dipake nanaon oge kembang teh sok babari layu. Ieu kabuktian pas isukna beres wisuda loba kembang anu layu da bingung oge kudu dikumahakeun, maenya deuih mun kudu dipelak mah tapi sigana mun dipelak oge moal jadi sabab lain binihna. Jadi weh tungtungna mah mubazir kalakah dipiceun. Padahal lamun mere nu mangpaat mah bisa kapake lila ku urangna oge.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2512", "text": "Perasaan shock dina indung bakal ngabalukarkeun denyut jantung gancang sarta ngaleupaskeun adrenaline. Jantung nu leuwih gancang tangtu bakal mangaruhan kakuatan getih nu asup ka janin. Tapi anjeun teu kedah sadar ieu salami teu aya keluhan sanés ngeunaan fétus.\r\n\r\nLamun masih ngarasa gerakan fétus aktif saperti biasa, bisa disebutkeun yen eta teu mangaruhan fétus sorangan. Nanging, upami anjeun masih ragu, kuring nyarankeun anjeun konsultasi ka bidan atanapi dokter kandungan pikeun pamariksaan salajengna. Ngan pikeun mastikeun kaayaan janin anjeun ayeuna, anjeun kedah ngalakukeun pamariksaan langsung. Sababaraha saran anu anjeun tiasa laksanakeun ayeuna nyaéta:\r\n\r\nIstirahat anu cukup sahenteuna 8 jam sadinten\r\nnahan napas\r\nngatur stress Anjeun\r\ndahar kadaharan anu bergizi\r\nInuman seueur cai sahenteuna 2 dugi ka 3 liter\r\nHindarkeun ngagunakeun obat tanpa naséhat dokter", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8224", "text": "Satria resep pisan nu ngaranna travelling atanapi jalan-jalan. Tos rupa-rupi tempat didatangan ku Satria. Aya hiji tempat nu Satria keur datangan ayeuna teh. Ngaran tempatna Taman Nasional Gunung Kerinci nu aya di Pulau Sumatra. Tempat ieu teh kakoncara ku kaendahan alamna. Alamn asri keneh tur seueur leuweung-leuweung tempat sagala rupi sati hirup tebih ti aktivitas manusa. Keur ngadatangan ieu tempat Satria dongkap sareng rerencanganna naek motor. Di perjalanan manehna tos nempo rupa-rupi sato. Hiji mangsa aya hiji sato nu nyieun sieun Satria kusabab ieu sato teh ngudag tur katempona rek nerkam Satrai sareng babaturanna. Sato ieu teh teu sanes nyaeta Harimau sumatra. Tempat ieu teh emang kakoncara ku Harimau sumtrana. Karak sakali saumur hirupna Satria ngarasakeun sieun nu bener-bener sieun kusabab eta sato ngudag lumayan tebih Satria sareng babaturanna nu naek motor.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2624", "text": "The India Times daptar sababaraha padamelan anu bakal datang anu tiasa dipendakan nalika otomatisasi sareng robot asup kana tenaga kerja.\r\nNingkatkeun kaahlian\r\nHenteu ngan ukur ngarebut padamelan manusa, tapi révolusi robot ogé bakal nyiptakeun 97 juta padamelan énggal. Sanajan kitu, ieu revolves sabudeureun industri ékonomi pangropéa kayaning kecerdasan jieunan sarta widang kreasi eusi. Dina 2025, paménta pikeun peran ningkatkeun kaahlian manusa bakal ningkat. Dina waktos éta, mesin bakal difokuskeun ngolah inpormasi sareng data, sedengkeun tugas administrasi sareng padamelan manual rutin ditujukeun pikeun pagawé manusa. Ogé bakal aya lonjakan paménta pikeun kalungguhan anyar dina rékayasa, komputasi awan, sareng pamekaran produk. The India Times nyatakeun yén pikeun pagawé anu tetep dina padamelan salami lima taun, sakitar 50% kedah ngalatih deui kaahlian inti na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9012", "text": "Autophobia atanapi sieun nyalira mangrupikeun kasieun irasional pikeun nyéépkeun waktos nyalira. Aya sababaraha alesan naha hiji jalma bisa miboga phobia ieu. Biasana murangkalih anu ngagaduhan fobia ieu kusabab diabaikan ku kolotna, anu mangaruhan aranjeunna nepi aranjeunna dewasa sareng ngembangkeun autophobia. Jalma kalawan phobia ieu biasana dibarengan ku gangguan kahariwang lianna. Pernah ngalam ataua sajarah disiksa fisik sarta seksual ogé bisa ngabalukarkeun trauma ekstrim nu bisa ngakibatkeun phobia. Ogé bisa lumangsung alatan pangalaman négatip atawa traumatis nu geus ngalaman nalika nyalira. Didikan kolotna anu overprotective ogé bisa ngabalukarkeun autophobia, sabab barudak biasana diawaskeun jeung dibarengan, éta bakal hésé pikeun maranéhanana kuat nalika aranjeunna nyalira. Anu terahir, éta ogé bisa jadi alatan sababaraha kali ngadengekeun pangalaman négatip ti anggota kulawarga atawa babaturan nu leuwih waktos nyiptakeun kasieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5136", "text": "Pas meunang motor anyar kenging hasil nabung ti gaji nyalira, abdi kacida bungah pisan. Teu nyangka bakal tiasa kapeser motor. Motor nu dipikahoyong pisan deuih. Perasaan abdi bungah kacida, nepi ka tangan ngageter pas nyabak motor pertama kalina bakat ku geumpeur. Nu tadina bade ngucapkeun nuhun ka nu tos nganterkeun, jadi pabeulit ngomongna da bakat teuing atoh tea. Pas mukaan plastik jok motor na ge duh deg-degan pisan, bisi kagores, bisi gugus ku kuku. Harita mah teu bisa eureun nyengir da bungah pisan atuh. Awak ge meuni ngeper bakat ku geumpeur rada teu percaya keneh. Tapi alhamdulillah eta teh bukti hasil kerja keras urang salila ieu.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6306", "text": "Tilu hal nu bisa dilakukeun supaya bisa ngurangan tumpukan sampah. Nu kahiji nyaeta ngadaur ulang sampah, terapkeun prinsip daur ulang dina kahirupan sapopoe. Kudu dibiasakeun ti ayeuna supaya kahareupna bisa ngurangan dampak negatif sampah. Nu kadua nyaeta milah deui sampah nu rek dipiceun. Jadi, biasakeun ngelompokkeun sampah samemeh dipiceun, supaya nu lila diurai bisa dimangpaatkeun jadi nu sejen. Nu katilu teh nyaeta buang sampahna ka tempatna, ulah sembarangan, komo ka solokan mah. Biasakeun miceun sampah ka tempat nu geus disadiakeun, ulah ka mana-mana. Ulah nepi ka kalah nyumbang kotoran sampah makin numpuk. Anggursih mah kudu diberesihan sing rutin supaya teu numpuk.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7524", "text": "Lantaran ieu mangrupakeun kahiji kalina rerencangan abdi bakal ngalahirkeun, manehna ngarep yen tiasa ngalahirkeun ku cara normal. Tapi saatos asup ka rumah sakit jeung diparios ku dokter, kondisina manehna dinten teu pati sae kanggo ngalahirkeun normal, dokterna nyarankeun kanggo operasi sesar. Manehna reuwas pas dibejaan kedah operasi lantaran salila manehna diparios kondisina salalu sae jeung tiasa normal. Tapi pas di dinten ngalahirkeun kalahkah robah. Komo biaya kanggo operasi oge luwih awis. Manehna sieun ku rasa nyeri anu bakal ditimbulkeun saatos operasi. Abdi nenangkeun manehna supados tiasa ngalahirkeun jeung teu seeur pikiran. Manehna oge sieun bisi ngomong anu aneh-aneh lamun dibius. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6945", "text": "Lantaran lahir ti kolot anu teu acan siap nikah, rerencangan abdi mineng pisan meunang kekerasan ti para kolotna, utamana bapana. Ti leutik keneh manehna tos mineng dijebrod ku sapu nyere lamun teu hoyong emam. Mamahna oge mineng pisan gogorowokan ka manehna. Untungna manehna geura-geura disalametkeun ku tatanggina anu bageur, tapi teu gampang kanggo manehna sangkan tiasa hilap kajadian anu dilakukeun ku mamah jeung bapana. Lamun papanggih jeung jalmi anyar manehna sok nyumput lantaran sieun bisi disiksa, komo lamun ngadangu aya batur anu ngagorowok, manehn pasti langsung sieun jeung ceurik. Manehna untungna langsung diawa ka psikolog supados tiasa diubaran nepika cageur. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1034", "text": "Hiji poe keur aya acara di kampus nepikeun ka peuting, jadina urang jeung babaturan nu sejen mondok di kampus. Kabeneran divisi urang nu kabagean standby jang ngajaga panggung, bisina aya nu ngarugrugkeun. Sakitar jam 1 peuting kahudangkeun, lantaran hayang ngompol. Sedengkeun posisi toilet teh aya na di lantai dua, jadi urang kudu naek satingkat mun hayang ka toilet. Urang ninggali babaturan keur talibra, jadi teu tega mun rek ngahudangkeun teh. Urang mulai leumpang ngagunakeun lampu senter dina smartphone, da rada poek. Geus nepi toilet, mulai karasa teu nyaman lantaran bau nu teu ngeunah siga bau bangke. Iseng ninggali ka luhur toilet, lantaran toiletna semi terbuka kitu. Apekteh ninggali jurig nu keur noong. Teu pikir panjang urang langsung ngajerit bari lumpat ka lantai handap nepikeun babaturan kabeh kahudangkeun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7592", "text": "Basa masih keneh SMA, abdi mineng pisan numpak beus, jaman harita mah beus teh sok pinuh pisan, komo lamun sonten pas waktosna balik gawe. Di tengah jalan ngadadak aya hiji awewe anu nyepeng rada tarik ka lengeun kuring. Asalna mah kuring reuwas lantaran teu kenal ka awewe ieu, tapi pas manehna masihan kodeu abdi langsung ngartos, sigana mah anjeunna sieun ka bapa-bapa anu aya ditukangeunna. Untungna di bapa-bapa eta langsung teu wani ngadekeutan awewe ieu. Pas abdi turun, anjeumna oge miluan turun sareng kuring sabari nyarita yen anjeunna geus dituturkeun ku bapa-bapa eta ti halte beus keneh, anjeunna oge ngahaturkeun nuhun ka kuring lantaran tos ngabantosan anjeunna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5640", "text": "Tilu alasan nu biasa dilontarkeun ku lalaki mun salingkuh. Kahiji sabab geus bosen ka pasangan nana. Biasana mun geus ngarasa bosen teh lalaki mah sok langsung neangan deui awewe nu anyar. Nu kadua nyaeta sabab geus manggihan awewe nu dipikahayangna. Biasana mun geus rumah tangga mah awewe teh sok rada beda dina ngurus awak, sok rada joledar sabab kabet ku pagawean imah. Tah ku kituna, lalaki loba neang deui di luar nu leuwih hade ti istrina. Biasana mah sok nunjukeun na teh susulumputan. Nu katilu nyaeta aya rasa nyeuei hate ti pasanganna. Misalna nyeuri hate sabab direndahkrun wae ku istrina atawa di kekang teuing ku istrina nu mantak nyeuri hate, jadi we neangan deui awewe salingkuhan nu leuwih bisa ngartikeun kahayang anjeunna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5140", "text": "Cara nabung di imah supaya teu kacoceng ku kabutuhan. Nu kahiji nyaeta tangtukeun target, misalna hoyong meser barang naon anu dibutuhkeun. Kadua, pilarian soal barang nu dipikahoyong, utamana tina segi harga. Katilu, tangtukeun ageung nominal nabung sapoe na teh. Misal, sapoe nabung minimal kudu sapuluh rebu. Tah tos kitu, tangtukeun prioritas pangaluaran. Misalna aya pangaluaran nu penting kudu diheulakeun, terus pangauaran jang barang nu kurang penting mah bisa diengkekeun deui. Tah, beres kitu, tinggal konsisten kana nabungna. Pentingkeun si nabung ieu teh, ulah nepi ka nunda-nunda nabung sapoe-sapoe nateh. Mun urang geus boga nominal gede, asupkeun kana rekening atawa kana e-wallet supaya teu bisa kacoceng unggal poena.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3317", "text": "Ngaliwatan baktéri jeung virus dina dahareun, kokotor jeung tempat kuman kacemar séjén napel awak laleur jeung bulu leutik dina suku maranéhanana, ngarah ngapung jeung darat di tempat séjén saperti dahareun, maranéhanana ninggalkeun sababaraha kuman. Ti dinya urang tiasa berpotensi kakeunaan panyakit tina badarat nalika aranjeunna ngapung dina tuangeun, sanaos jumlah patogén anu dikirimkeun sigana sakedik.\r\nNgaliwatan utah laleur, nalika laleur ngadahar tuangeun, aranjeunna henteu ngegel goresan leutik dina piring tapi serangga ngancurkeun jus pencernaan kana dahareun. . Ieu ngandung harti yén aya kamungkinan langkung ageung baktéri sareng virus salamet. Kuman bakal campur jeung utah sarta tetep dina sungut nepi ka darat dina dahareun jeung ninggalkeun kasakit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "686", "text": "Sabenerna euweuh ekspektasi leuwih pas poe tepang taun teh, lantaran nu enggeus-enggeus ge euweuh nu spesial, komo mere kejutan. Da meureun pedah di kampung, jadi teu ngalartieun, komo deui cenah mah ulah dirayakeun. Balik gawe kawas biasana nyaeta jam 5 an kakara nepi imah teh. Awalna mah aneh lantaran imah teh paroek, tuluy mikir naha euweuh jelemaan kitu? Nu sejenna keur kamarana? nepikeun ka teu dihurungkeun lampu teh. Pas geus asup ka imah tuluy dihurungkeun lampu teh, apek teh bray hurung langsung di sambut ku kulawarga bari ngucapkeun babarengan \"Wilujeng tepang taun Aa\", tuluy dirangkul ditangkeupan hiji-hiji nganuhunkeun geus direrepot.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2959", "text": "Sabenerna kuring teu nempo langsung pas mobil nabrak korban, tapi kuring ngaliwat pas korban ngagoler di sisi jalan tos seueur warga sareng motor anu eureun. Kuring geus boga rarasaan keuheul lamun kuring ningali riungan jalma ti kajauhan. Kuring langsung gugupay sakedapan. Nalika kuring terang yén éta kacilakaan, kuring nyobian henteu ningali awak korban. Kuring fokus ka hareup, tapi panon goblog pisan panasaran, jadi kuring ngahurungkeun sirah kuring bari. Yak, karasaeun haté kuring bade ngabeledi, kuring henteu paduli ningali éta. salila saminggu kuring teu wani ngaliwat deui jalan kitu. sanajan kuring nempo tangkal aya, nepi ka ayeuna kuring masih inget persis kajadian.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6831", "text": "Olimpiade Sains Nasional diselenggarakeun unggal taun. Biasana unggal sakola ngayakeun seleksi kanggo ngirim wawakil ti sakola di Olimpiade Sains tingka Kota. Abdi miluan seleksi Geografi lantaran teu aya Olimpiade bahasa Inggris. Abdi sabenerna ngan ngerjakeun soal tes asal-asalan lantaran teu aya kahoyong ngiringan lomba, komo Geografi. Abdi ngerjakeun soal-soal anu lumayan seeur istilah bahasa Inggris na. Saatos ngerjakeun soal-soal abdi langsung ngalajengkeun kagiatan sapertos biasa, teu mikiran hasilna bakal kumaha. Abdi reuwas pas dipasihan terang abdi janten hiji wawakil ti sakola kanggo Olimpiade Geografi, padahal langkung seeur anu leuwih jago ti pada abdi. Tapi abdi atoh lantaran tiasa janten wawakil sakola.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5126", "text": "Poe ayeuna teh aya jadwal ujian matematika jeung bahasa Indonesia. Duh matematika heula deuih karek bahasa Indonesia. Isuk-isuk awak ngeper da deg-degan pas rek masuk ruang ujian teh, sieun teu bisa ngajawab soal. Pikiran teh geus hantem we ngapalkeun rumus matematika jeung nginget-nginget materi bahasa Indonesia. Ujianna dilaksanakeun di ruangan kelas XII IPS-3. Jadwalna nyaeta tilu jam, dimulai jam satengah dalapan dugi ka jam satengah sabelas siang. Waktu istirahatna ngan dipasihan lima belas menit. Nu ngawasna nyaeta guru-guru nu unggal ruanganna teh saurang pangawas. Suasana mun ulangan teh sok asa ngadadak sarepi, teu aya nu gogorowokan, teu aya nu nyanyanyian, hening we da meureun nuju konsentrasi kana soal.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6047", "text": "Basa nuju ngaliwat ka imaj tatangga, abdi meuni reuwas sabab dipegat ku hayam jago. Barang nuju ngaliwat teh jol we disampeurkeun ku hayam jago. Hayam jagona teh tuluy ngabintihan jiga nu ngajak gelut. Jagona gede pisan, warna na beureum semu oren. Jawerna meuni badag pisan nepi ka ngambay ka handapeun panonna. Buntutna meuni ngajerebengbeng nandakeun siap tempur. Jangjangna meber, buluna narangtung, beuheungna posisi siap nyosor. Hayoh we tuluy bitis abdi dibintihan. Tuluy abdi lumpat we, eh kalah ngudag. Meuni deg-deganna sabab nyareuri dibintihan. Dasar hayam jago, disangkana nantangan meureunan. Tidinya abdi alim deui liwat ka imah eta sabab sieun dibintih deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3392", "text": "Janten, naon anu kedah dilakukeun nalika anjeun ngahaja pakéan kembar sareng muhrim lengkep? Sangkan anjeun ngahindarkeun kabingungan sareng panik, tingali 5 solusi anti panik nalika anjeun ngahaja ngagem baju kembar sareng jalma sanés.\r\n1. Paké jaket anu bisa nutupan baju kembar\r\nCara panggancangna pikeun ngémutan baju kembar nyaéta nganggo jaket. Ieu cukup éféktif, utamana lamun anjeun ngagunakeun jaket nu rada katutup. Upami anjeun henteu nyandak jaket, anjeun tiasa nginjeum ka jalma anu caket sareng anjeun. Penambahan jaket bakal ngarobah outfit sacara signifikan. Anjeun teu kedah panik deui nalika nyanghareupan jalma anu ngahaja ngagem baju kembar.\r\n2. Paké asesoris pikeun ngarobah tampilan outfit nu\r\nUpami anjeun lumayan nganggo asesoris, ieu mangrupikeun cara anu saé pikeun ngarobih drastis kana baju anjeun. Aya sababaraha cara pikeun ngakalikeun baju kembar nganggo asesoris. Mimiti, anjeun tiasa nganggo sal atanapi pashmina dina beuheung anjeun atanapi pikeun nutupan baju anjeun. Anjeun ogé tiasa ngabeungkeut pashmina ku cara anu ngabentuk kutang. Ku cara ieu, anjeun tiasa nutupan sahenteuna bagian tina pakean kembar. Kadua, upami anjeun ngagem pakéan, nambihan sabuk bakal ngajantenkeun parobihan anu drastis dina garis pakéan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "331", "text": "Pas keur aya acara muludan di deukeut imah, tiap barudak anu ngaji dibere teks jang tampil pidato dihareupeun nu miluan muludan. Rupa-rupa cara tampilna teh, aya nu mawa teks aya oge ngapalkeun. Urang kaasup nu ngapalkeun jadi teu mawa teks. Tapi pas giliran urang tampil, di tengah-tengah urang poho teksna kubakat geumpeurna di luhur panggung jeung ditongton ku loba jelema. Akhirna pikiran urang ngableng, teks pidato nu diapalkeun salila ieu teh jol leungit dina pikiran. Urang era dipanggung culang cileung bari diseungseurikeun ku babaturan. Nepikeun ka urang turun tina panggung kubakat era na jeung hayang ceurik. Tidinya urang jadi teu percaya diri lamun ngomong dihareupeun loba jelema teh, pasti weh urang nyekelan catetan tuluy dibacakeun. Kabiasaan ieu oge kabawa lamun keur rapat di organisasi perkuliahan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3340", "text": "Jadi rada bosen jeung penampilan ngaran teh, jaman kuliah mah make jeans robek di kampus, sandal jepit jeung mawa binder, rapih, tapi dompet masih nginjeum haha... jadi enya, parah pisan penampilanna, nu penting saku mah kandel...kandel kitu?teu jalan...jeung kuring oge resep ngurus baju atawa calana nu tos bolong, jadi mun teu aya. boro-boro kumaha damang *gagal fokus...uhh lain maksudna rada rame....jadi hiji poe teu kuliah, ngan nongkrong aya naon Abdi hoyong diskusi sareng rerencangan sakelas...jadi nuju kuliah, ngan make calana pondok bali,baju sareng sweater,kuring loba calana bali nu pondok pisan *biardilanganakpantai hahah nu inget mah aya oge calana bali nu boga. cimata badag dina tonggong, pas pas di tengah kelim calana, tapi hehehehe, éta alatan kuring bener cool, jadi kuring teu misahkeun calana ti lomari kuring, ogé saméméh ninggalkeun g w beres, pilih baju heula, oke mah calana, da pasti calana teu robek, di imah mah bener cek calana teu robek, padahal mah teu nyaho buru-buru atawa kuring teu cukup ati-ati, tapi kuring yakin calana henteu robek.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7330", "text": "Abdi nuju mampir ka salah sahiji resto anu muka dua puluh opat jam lantaran tunduh pisan. Pas nuju diuk dina salah sahiji korsi abdi ningal di korsi anu aya di peuntaseun abdi aya hiji awewe anu abdi wawuh, tapi teu pati yakin lantaran tos wengi. Teu lila awewe eta ngadatangan meja kuring, menta dipang motokeun. Abdi langsung motokeun maranehna duaan. Isukna abdi ningal dina Instagram rerencangan kantor anu nuju ngarayakeun hiji taun pernikahan sareng pamajikanna. Tapi pas abdi ningal, awewena teh nyaeta awewe anu abdi tingal di resto kamari. Abdi langsung mastikeun yen eta teh pamajikan rerencangan kuring. Pas abdi caritakeun, manehna teu percaya sabari ambek ka kuring. Tapi sababaraha poe saatos eta manehna malah nganuhunkeun ka abdi lantaran istrina bener salingkuh jeung rerencangan di tempat gawena. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6317", "text": "Pernah abdi jajan di kaki lima, terus emam di tempat. Harita abdi meser bakso jeung babaturan abdi tuluy dimakan di tempat sabab bari nungguan hujan raat. Pas keur dahar bakso, rasana teh asa aneh, rada bau taneuh sabab meureun caina teu beresih. Pas ningali cara ngumbah mangkok jeung sendok na ge teu disabunan, ngan dicelupkeun jeung dikucek-kucek hungkul kana cai dina ember. Abdi harita ngarasa meuni seueul nempona, berarti meureun dahareun na ge geus teu higienis sabab wadah nu dipakena ge kotor, jeung deuih bekas sejuta umat. Abdi teu kuat ngabeakeun baksona sabab bau taneuh, jeung deuih cai nginumna meuni kiruh jiga cai atah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3400", "text": "Umurna 27 taun, jomblo, gajihna kurang leuwih 28 juta sabulan. Boga cicilan apartemen jeung imah sabulanna 25 juta, enya gajihna 28 juta cicilan 25 juta, sesana 3 juta keur kost jeung dahareun. Naha 3 juta cekap? Nya kantenan henteu. Di kantor sok nyiar jasa, ngarah meunang duit jasa jeung bisa dahar haratis bari ditugaskeun, alhamdulillah mun aya bonus di bulan eta bisa dahar oge. Sakali nalika kuring sareng salaki naek pesawat sareng anjeunna nalika kami balik ka bumi, anjeunna naros naha roti anu dipasihkeun dina pesawat kedah didahar? Saterusna kuring nyokot inisiatif pikeun ngagorowok. \"hahahha muhun abdi ngadamel roti kanggo anjeun, hayu isukan aya tuang siang\" Nepi ka hiji poe cenah tadi peuting manehna sare di apartemenna, tuluy kuring reuwas \"ayeuna maneh make listrik?\" \"Heueuh dong, tadi peuting make lilin.\" Waktu éta, kuring seuri ngajawab, éta bener bodo! Tapi anjeun terang naon? Teu ngarasa kabeurat pisan ku gaya hirupna kitu, memang anakna selengean teu ngaganggu omongan batur salagi masih mulus cicilan bulanan. ngan nya urang rada era sih baturan sok culamitan ka hal dasar", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5184", "text": "Ayeuna teh Afi bagean jadi panitia dina acara kampus Unpad kerjasama jeung BUMN. Tempatna di Graha Sausi Hardjadinata, mulaina jam dalapan dugi ka jam sabelas. Pembicara na teh nyaeta Bapak Erick Tohir. Ah idola abdi pisan eta mah. Abdi datang isuk-isuk sabab kabagean jaga pintu masuk di jero aula. Pas kabeh peerta tos masuk, sakira jam dalapan pas, bagean Pak Erick Tohir nu masuk ka aula. Abdi nu nyabut dina panto aula meuni asa bungah ngalayang bisa ningal Mas Menteri sacara langsung, komo deui ieu dibere senyuman. Beuh atoh na kacida pisan ieu mah, moal bisa poho. Tuluy pas acara na beres, samemeh Pak Erick Tohir kaluar aula, abdi sempet heula sasalaan jeung ukeun foto bareng. Ah kacida bungahna we jaga kagiatan poe harita mah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1033", "text": "Ku bakat euweuh gawena pas keur ngora, urang jeung si Andri, Resti, oge Dendi, ulin ka tempat imah kosong. Harita imah kosong eta teu jauh ti imah, tapi posisina teh deukeut-deukeut sawah lain di sisi jalan. Jadina arurang geus persiapan mawa senter. Datang kadinya teh lain iseng, tapi ku panasaran sabab babaturan urang keneh si Desti pernah ninggali jurig di imah kosong eta. Jadi arurang opatan mutuskeun jang kadinya meakeun ka panasaran. Geus nepi ka imah eta, mimitina mah moal asup ka jero ngan ninggali di luarna, tapi si Dendi ngahayu-hayu ka jero da moal aya nanaon cenah. Brak teh asup ka jero, eta mah jurig keur nangtung dijuru pas pisan disorot ku senter. Arurang langsung ngabelecir lumpat tarik, urang bari nungtun si Resti da manehna rada boyot mun leumpang teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7887", "text": "Sateuacan numpak ojek online abdi mineng pisan numpak angkot atawa damri ka sakola lantaran ongkosna mirah pisan, baheula damri ngan tilu rebu, eta oge geus kaasup mirah lantaran angkot leuwih mirah deui nyaeta sarebu rupiah. Salaku murid anu sakola ti isuk-isuk jeprut nepikeun sonten, abdi mineng pisan sare dina angkot atawa damri. Komo lamun isuk-isuk abdi biasana angkat ti subuh keneh pas teu acan aya panonpoe, janten pas panonpoe geus muncul teh nyieun tunduh pisan, Di tengah tunduh eta abdi langsung sare sabari nundutan di sabeulah bapa-bapa. Abdi sabenerna geus nyadar yen abdi teh sare di jalan jeung kedah gugah, tapi teu apal kumaha carana lantaran tunduhna teh teu katahan pisan. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5627", "text": "Sakabeh jalma pasti ngarasa risih jeung jengkel mun dikomentaran soal penampilan komo soal fisikna. Nepi ka aya nu ngarasa teu percaya diri mun berhadapan langsung jeung batur teh. Tah biasana jalmi nu kieu teh nu tos sering kenging hinaan soal fisikna. Hinaan fisik teh ngaliputi bentuk fisik jiga bentuk awak, bentuk raray, warna kulit, jeung sajabana. Pasti jalma dijieun jengkel mun ngadangu komentar soal fisikna, da sabab fisik mah kersa ning Allah, urang mah kur ngajaga jeung malihara. Biasana mun dihina fisik teh jengkelna make pisan, pasti bakal kainget wae nepi ka iraha ge. Kesel na teh ngalampiaskeun kana nyorangan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3390", "text": "Mereunan cek sababraha jalma mah era ari baju sarua. Upami kitu, kuring bakal cicing waé, pura-pura hilap atanapi… ngan teu malire (contona jalma éta ogé ningali yén kami nganggo baju anu sami). Kusabab sakabeh baju sarua, pamaké béda masih bisa nyieun tayangan béda, gumantung kana wearer.\n\nBisa waé bajuna sarua, tapi asesoris séjén mah béda, lain kesan nu ditimbulkeun ku penampilan urang téh béda kénéh?\n\nMun teu percaya, coba inget-inget jaman sakola. Ratusan murid make saragam anu sarua, tapi tetep kesan unggal murid beda-beda. Aya nu katingali rapih, aya nu rancunit, aya nu modis, aya nu religius, aya nu usil, aya nu basajan, jeung sajabana.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7840", "text": "Pasar biasana sok janten tempat balanjan anu mirah, tapi anu janten kakurangan di pasar tradisional teh biasana sok aya runtah di mamana. Runtah di pasar teh sadayana pacampur, runtah tilas jeroan lauk, tilas daging, tilas ceker hayam, tilas sayur anu geus buruk, buah anu geus buruk jeung sampah palastik anu sanesna ngahiji, janten teu heran lamun bauna teh sok teu puguh. Komo lamun banjir atawa becek, pasti sapatu bakal bau pisan. Janten lamun bade angkat ka pasar mah ulah make sapatu alus, make sendal capit we, da urang teu apal nincak naon di pasar. Runtah di pasar sok narumpuk jeung dikurubutan bilatung. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2911", "text": "Cara basajan pikeun ngaleungitkeun kasieun ngojay, kalebet:\n1. Salawasna ngajak jalma anu trauma ku tilelep kana kolam renang cai, meureun jeung misan atawa babaturan nu sarua umur. Padahal tadina jalma nu trauma tilelep ngan ukur lalajo ti sisi kolam renang teu jadi masalah. Nu penting mah jalma nu trauma kalelep bisa nempo kumaha bagja babaturanana.\n2. Tahap saterasna tiasa dimimitian pikeun jalma anu trauma kalelep ku cara neuleumkeun sukuna, cipruk-cipruk kana cai (upami anjeun teu hoyong sapinuhna turun ka kolam renang, henteu kunanaon, jalma anu trauma kalelep kedah janten sabar).\nMeureun anjeun bisa mimitian ku mawa manéhna bari leumpang di kolam renang. Kahiji, sieun tapi pastikeun yén jalma trauma drowns aman dina aisan a.\n3. Kuncina kudu sabar dina nyaluyukeun jeung émosi jalma nu trauma kalelep, tong maksakeun, mun jalma nu geus trauma tilelep geus mimiti sieun, eureun maen.\nKurang leuwih 5-6 kali, jalma nu geus trauma tilelep geus mimiti ngojay, sarta geus mimiti wani deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5611", "text": "Metal detector nyaeta alat nu populer digunakeun jang neangan harta karun. Cara make na teu pati riweuh. Mimiti, hurungkeun heula alat metal detectorna. Geus kitu, cobaan heula kana emas atawa logam, bedakeun sorana jeung pastikeun alatna berfungsi. Nah tuluy cara makena nyaeta disalusur kira-kira lima cm tina taneuh. Terus susur temoat kira-kira sameter hareupeun urang tuluy sameter ka sisi kenca jeung katuhu. Maju lalaunan supaya teu aya nu kaliwat. Mun aya harta karun nu kadeteksi mah sok ngaluarkeun sora sabab aya sinyal. Mun sorana makin gede atawa makin tarik berarti barangna teu jauh jeung bisa dipastikeun akurat tirikna. Geus katimu mah tinggal digali we.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7504", "text": "Lamun urang patepang jeung jalmi anu resep nyiksa batur di tempat sakola atawa di tempat gawe, urang teu meunang cicing, komo lamun urang nepikeun ngarasa kasakit dina awak atawa ngarasa trauma ti kajadian anu dialaman di tempat gawe atawa di sakola. Urang kedah enggal-enggal ngalaporkeun ka jalmi anu pangdekeutna, ulah sieun ka sasaha. Lamun diancem urang kedah tiasa ngalindungan diri sorangan. Ulah pernah mikir yen urang teh pantes disiksa ku batur, kedah mikirna yen sadaya jalmi teh kedah hirup nyaman jeung tenang teu meunang ancaman ti sasaha. Tapi biasana anu ngajieun hese teh lantaran teu aya buktos, matak urang kedah kumpulkeun buktos anu seeur lamun ngalaman kajadian teu ngeunah. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4427", "text": "Jadi budak kadua anu boga lanceuk jeung adi na posisi na kacepet, posisi anu paling teu enakeun. Posisi eta the ngajadileun urang salaku budak anu nomor kadua ieu sering ngarasa teu adil. Eta nu ngajadikeun urang salaku budak nomor 2 di sebut budak anu pemberontak anu babari ambekan. Eta teh kajadian ku sabab sering na di banding bandingkeun jeung lanceuk jeung adi na jadi na urang salaku anak kadua sok ngarasa teu adil. Budak nomor 2 the biasa di bandingkeun jeung di tungtut, urang kudu bisa jadi adi anu ngelehan jeung nurut ka lanceuk na tapi oge di titah nyaah jeung rela berkorban ka adina. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4367", "text": "Ulang tahun nyaeta salah sahiju momen peringatan anu spesial pisan. Dimana dina poenan eta dina tanggal eta, urang ngamulai sesuatu anu anyar boh kalahiran urang ngamulai hirup atawa aya deui anu ngarana ulang tahun pernikahan, eta oge sarua nyaeta ngamulai hirup anu anyar. Ulang tahun pernikahan oge momen penting anu kudu di syukuri pisan, loba batur anu ngajagakeun ngarayakeun ulang tahun pernikahan sacara mewah. Sangking pentingna ulang tahun pernikahan nepi ka aya istilah ulang tahun pernikahan perak nyaeta anu ka 25 tahun jeung ulang tahun pernikahan emas anu ka 50 tahun atawa satengah abad. Rasana lamun di bere surprise di ulang tahun pernikahan sarua jeung lamun di bere suprise ulang tahun biasa ngan beda na ieu di rayakeun ku dua jelema. Jadi urang anu mere surprise oge biasana nyiapkeun 2 kado keur pasangan. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4678", "text": "Berhubung keur sakola SD urang sok di bully wae ku babaturan nepika teu boga batur, urang jadi trauma mun rek sakola. Bawaanna teh sieun, kadang sok ngadeg-deg komo mun geus ngadenge omongan-omongan ti babaturan nu sok ngabully urang. Basa poe jumat urang keur diuk di kelas bari maca buku carita anu ku urang pinjeum di perpustakaan, pas urang nangtung si iwan ternyata nempelkeun permen karet di banku urang. Trus pas rek balik rok urang katempelan permen karet, tapi urang teu ngomong ka kolot bahwa eta teh di jailan si iwan. Salain eta urang ge di heureuyan deui, basa urang keur nangtung bari macakeun hapalan surat. Si iwan jeung si pita ujug-ujug narik korsi urang, jadina pas rek diuk urang langsung tijungkeul. Urang mewek terus balik ku sabab nyeri tulang ekor, kolot ge ayeuna mah nyahoeun urang sok di jailan ku babaturan sakola. Jadina urang pindah sakola, tapi pas geus di sakolaan anyar ge urang tetep aya rasa kasieun bisi di bully deui. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "207", "text": "Tempat anyar pastina oge boga babaturan anyar. Urang mimiti boga babaturan anyar teh nyaeta pas di asrama, kabeneran di asrama teh sa kamar ku duaan. Tapi urang kaasup jelema nu teu babari meunangkeun babaturan, sabab embung ngobrol tiheula, jadi weh butuh proses lila, kecuali lamun baturna nu ngamimitian ngobrol tiheula. Tapi lila kalilaan urang boga babaturan loba, pastina nu ku cara urang aktif di organisasi atawa kumpulan mahasiswa asal daerah nu sarua. Sabab boga karesep anu sarua atau asal ti daerah nu sarua, bakal leuwih babari ngobrolna. Tuluy urang kudu wanoh ka babaturan nu sajurusan, ieu penting pisan sabab bakal mindeng papanggih jeung gawe bareng.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2044", "text": "Peringkat kampus sustainable, UI GreenMetric ngumumkeun daptar 10 universitas paling sustainable di Indonésia. Pangumuman ieu dilaksanakeun dina Senén (12/12/2022) di Balai Konvénsi Universitas Indonésia (UI) Depok, ku Prof Dr Ir Riri Fitri Sari, MM, MSc jeung Dr Nyoman Suwartha, ST, MT, M Agr salaku Kapala. sareng Wakil Kepala UI GreenMetric World University Rankings. Instrumén anu digunakeun dina peniléyan ngawengku tilu pilar kelestarian, nya éta Lingkungan, Sosial, jeung Ékonomi kalayan indikator peniléyan anu ngawengku Kaayaan Kampus jeung Infrastruktur, Énergi jeung Perubahan Iklim, Pengelolaan Limbah, Pemakaian Air, Transportasi, jeung Pendidikan jeung Panalungtikan.didinya kampus nu ku kuring asup nyaeta Universitas Indonesia mangrupakeun universitas nu asup kalayan pamaringkatan, mereunan ti aspek merenah na kampus jeung mecak na iklim depok nu endah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "234", "text": "Ayeuna mah loba jelema pinter, tapi loba oge dipakena kana tindak kajahatan. MIsalna penipuan nu nyarupaan undian berhadiah. Salah sahijina biasana ngaliwatan website undian palsu. Pas muka website penipu biasana tampilanna teh teu ngayakinkeun, sok majang logo perusahaan jeung logo kepolisian. Sakapeung mah si penipu oge ngasupkeun sababaraha gambar tina website anu asli jang kamuflase. Tuluy ditampilkeun oge testimoni palsu ti para pemenang. Lamun teliti pasti bisa ninggali kaanehanana teh, nyaeta foto testimonina biasana kualitas gambarna butut jeung ditampilkeunana teh asal-asalan. MIndeng oge nyantumkeun nomor telepon abal-abal dina website undian, lolobana website palsu bakal menta korban jang ngahubungi maranehanana ka nomor telepon pribadi. Padahal lamun enya meunang undian mah bakal langsung dihubungi ku pihak penyelenggara undianna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5235", "text": "Widia pernah ngalami kagagalan dina ngabangun bisnis. Basa nyobian ngabangun bisnis dina bidang furniture, Widia ngajalin kerjasama sareng pihak supplay sababaraha jenis barang. Harita dina ngajalin perjanjian kerja sama, Widia dijangjikeun bakal dikiriman barang sasuai permintaan, tapi kedah dibayar di muka. Janten kedah bayar heula nembe barangna dikirim. Saking tos percayana, Widia ngirim artos ratusan juta kangge meser sababaraha barang furniture. Tapi, tos sabulan barang na teh teu dikirim-kirim. Pas ditaroskeun, supplier na teh kalah ngaleungit. Tidinya Widia ngarasa gagal pisan usahana, modalna seep, barangna teu aya. Widia ngarasa katipu pisan. Tidinya Widia ngaintis deui usaha dibidang makanan, jeung teu gampang deui percaya ka batur. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3372", "text": "Nyaho sababaraha aturan dasar pikeun humor. Dina kanyataanana, sakabeh manusa sarua. Aya sababaraha humor dasar anu salawasna dianggo:\n1. Nyeri. Sanaos anjeun ngan ukur ningali hiji kartun, anjeun bakal terang konsép ieu. Pikir Wile E. Coyote jeung Roadrunner. Garfield. Bugs Bunny. Mickey Mouse. Sakabéh kartun ieu ngagunakeun humor nu depicts nyeri. Konsep ieu timeless.\n2. Nu teu disangka-sangka. Ieu nalika hal anu teu kaduga tétéla janten hal anu héran, pikasieuneun, pikaseurieun, atanapi nyababkeun réspon. Ku kituna, nyandak sakuliling mundane anjeun sarta datang ka hal lucu. Di luar mendung? Maké kacamata hideung. Teu aya anu seuri dina guyonan anjeun? Seuri sorangan. Nyobian nyumput? 3. Sumputkeun tukangeun tutuwuhan leutik. Ngalakukeun hal konyol, sakumaha konyol jéntré.\n4. midangkeun kecap. Ieu dipedar leuwih jéntré dina kaca hareup, kumaha oge, twisting kecap bisa jadi cara pohara alus nyieun jalma seuri. ha; eta di jieun beh urang teu jadi bahan nu pikaeraun ker sorangan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2612", "text": "Pandangan ieu anu ningali ras sanés salaku inferior atanapi inferior sareng yén rasna langkung luhur atanapi punjul nyaéta anu ngajaga rasisme tetep hirup. Sacara umum, anu jadi sabab munculna rasisme, nyaéta: dibekelan legitimasi yén hiji ras minoritas sacara genetik jeung budaya inferior ti ras dominan, ayana ajaran atawa doktrin dina kulawarga malah sababaraha golongan jalma, pamahaman masarakat anu sok stereotip jeung prasangka kana hiji ras atawa golongan anu masih kabawa nepi ka kiwari, leungiteun toleransi jeung silih hargaan antar jalma, jeung ayana kawijakan atawa aturan anu ngan ukur nguntungkeun golongan anu tangtu.\r\nPendekatan pluralisme budaya mangrupa alternatif dina ngaréngsékeun konflik sosial. Pluralisme nuduhkeun sikep hormat antara rupa-rupa golongan di masarakat jeung rasa hormat mayoritas ka minoritas jeung sabalikna. Sababaraha cara pikeun nyegah rasisme ku pendekatan pluralisme budaya di antarana: ngamekarkeun wawasan pribadi jeung sosial jeung kompetensi, ngamekarkeun kasadaran sosial jeung sensitipitas, narima béda, ngaronjatkeun integritas sosial grup, ngaronjatkeun kasempetan sarua, facilitating parobahan kawijakan anu nampung sakabeh grup.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "637", "text": "Inget keneh keur zaman SD baheula mah aya walungan tapi caina mah deet. Tepang taun urang teh barengan jeung babaturan nu ngaranna teh Anjar. Poe eta urang jeung Anjar sakola kawas biasana, tapi aya kaanehan pas jam isirahat. Urang jeung anjar dititah ku babaturan ka jembatan nu deukeut walungan. Teu lila geus nepi jembatan, pek teh reuwas aya nu ngajurungkeun. Atuh urang jeung Anjar asup ka walungan eta, baju kabeh baraseuh. Harita urang can bisa ngojay, tapi untungna si caina teu deras jeung deet da keur musim kemarau. Lantaran baju urang baraseuh, jadi ijin ka guru balik heula ka imah jang ngaganti baju eta ku nu garing.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3293", "text": "Fungsi ciduh atawa basa ilmiahna Ciduh aya rupa-rupa, nyaéta: Ciduh boga fungsi minangka pelumas. Ciduh lubricates sungut jadi mangpaat pikeun ngajaga ngalawan trauma nalika dahar, neureuy atawa nyarita. Biasana manusa anu saeutik ciduh (xerostomia) bakal ngalaman nyeri nalika ngadahar kadaharan anu kurang eusi cai, sabab éta kadaharan nempel dina témbok sungut sarta ngabalukarkeun borok.\r\nCiduh ngandung énzim amilase anu tiasa ngabantosan nyerna dahareun. Ciduh ogé mantuan ngarecah dahareun dina sungut sangkan jadi kadaharan lemes.\r\nCiduh ogé pamawa rasa. Lamun kurangna ciduh, biasana manusa bakal ngalaman kakurangan kamampuh rasa. Ciduh ngajaga pH sungut dina kisaran 6.2-7.4. Hal ieu disababkeun ku lobana éléktrolit anu dikandung dina ciduh, ku kituna fungsina salaku panyangga pikeun ngajaga pH dina sungut.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2516", "text": "Abdi henteu resep ngagungkeun ulang taun. Alesanana mah biasa, sabab kuring teu apal iraha ulang taun kuring:”) jadi, teu kudu hariwang keur ngarencanakeun kejutan, ujug-ujug dipapag ku “happy birthday” bisa ngageterkeun kuring satengah maot! Nya, aya anu béda ti ulang taun ka 20 kuring . Kira-kira saminggu sateuacan dinten, sahabat kuring naroskeun naon anu kuring peryogikeun. Masalahna kuring henteu pernah ngajawab patarosan \"naon anu kuring hoyong\", janten anjeunna milih patarosan alternatif. Jujur, kuring ngajawab pulpén. Anjeunna teu bisa ngomong. Abdi bingung. \"Rengse,\" sambung kuring. \"Nalika kuring mésér pulpén, kuring sering hilap dimana nempatkeunana. Semester kamari, kuring meuli sabungkus sarta ngan salamet dua. Dua pulpén éta béak lantaran dipaké catetan jeung nulis éséy. Abdi peryogi pulpen kanggo kuliah.\"", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "303", "text": "Basa keur poean wisuda, urang jadi tim fotograper salah sahiji calon wisudawan. Urang diajak ku babaturan jang motret sabab manehna pinuh oge ku klien nu sejen. Poe eta urang ngarasa sedih sabab teu maksimal motretna, jeung klien ge kurang puas kana hasilna. Tungtungna didinya urang teu diajakan deui jang motret wisudaan sabab aya komplen ti klien samemehna. Urang sedih lain sabab teu diajakan deui, tapi sabab fasilitas nu urang gunakeun teu memadai jang motret peuting mah jadina teu maksimal. Jeung karunya oge ka babaturan, sabab kajadian eta sok sieun calon klien nu sejenna jadi teu make jasana. Padahal nu bermasalah urangna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6970", "text": "Di acara Master Chef Indonesia, sadaya peserta kedah ngalakukeun anu pangsaena, nyaeta ngadamel tuangeun anu enak jeung komposisina sae dina waktos anu biasna ngan dipasihan opat puluh menit, satiap peserta oge kedah paham jeung mikirkeun dahareun anu sasuai jeung tantangan anu dipasihan ku chef salaku juri. Lamun masakna kirang sae jeung hasilna nyieun juri kuciwa, peserta kedah ngalakukeun anu namina pressure test. Pressure Test ieu janten kasempetan kanggo unggal peserta sangkan ngabuktikeun ka juri yen manehna masih keneh layak kanggo lajeng di Master Chef nepikeun janten juara. Seeur peserta anu teu tiasa ngamangpaatkeun kasempetan anu dipasihan ku juri, manehna teu ngalakukeun usaha anu maksimal jeung biasana mikirna seeur teuing janten hasil pasakanna kalahkah kirang sae. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4693", "text": "Urang salaku budak kudu boga kayakinan yen kolot urang teh past paduli jeung pastii nyaah pisan ka urang hayang urag jadi jelema anu leuwih hade hirupna, hade parilaku na jeung sagalana. Urang kudu inget yen lamu kolot ambek ka urang eta hartina kolot teh paduli ka urang nyaah ka urang. Maneh na di haja kawas kitu sangkan budak na bisa di ajar jadi jelema anu hade. Uurang basa keur leutik pasti sok loba kasieun lamun di carekan ku kolot. Sieun di carekan lamun embung dahar, sieun di carekan lamun teu sakola tapi eta oge anu ngabentuk urang sangkan jadi jelema anu sehat tuluy pinter.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1068", "text": "Rek dioperasi teh loba hal nu dipikiran, kaasup soal biaya. Lantaran operasi emang mangrupakeun tindakan medis nu ngabutuhkeun biaya nu lumayan gede. Tapi sanajan kitu emang alusna mah urang teu nunda operas atawa nepikeun ka ngabatalkeun operasi, lantaran kasehatan mah tetep nu paling utama. Jadi saacan rek dioperasi, urang ngomong heula ka dokter jeung tim medis ngeunaan biaya operasi eta. Biasana anjeunna sok mere informasi ngeunaan rincian biaya nu diperlukeun sarta mantuan urang neangan solusi anu alus jang mengatasi masalah biaya. Tapi mun urang euweuh duitna, mending oge neangan rumah sakit anu bisa nawarkeun make program BPJS, tapi pastikeun oge BPJS bisa nanggung operasi urang jeung minuhan sarat naon wae.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6890", "text": "Pas abdi nuju jalan-jalan di hiji mol abdi teu kahaja papanggih jeung artis. Mimitina mah abdi teu sadar eta teh saha, tapi ningal batur pada rariweuh gogorowokan, abdi langsung nyampeurkeun ka tempat anu rame loba jelma. Epekteh aya Rafi Ahmad jeung kulawargina. Kuring atoh pisan lantaran di ditu oge aya Rayyanza anu lucu pisan, biasana mah ningal dina Instagram hungkul, ayeuna ningal langsung sanajan ti jauh tapi tetep we katingal pisan lucuna teh. Abdi langsung ngaluarkeun hape kanggo moto jeung midiokeun manehna. Hanjakal teu tiasa lami lantaran maranehna ngan ngaliwat hungkul teras bade lajeng deui syuting di tempat anu sanes.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6387", "text": "Mun keur gawe di batur teh kudu sing jujur, ulah nepi ka ngalicikan atawa nembongkeun sikap goreng nu ngarugikeun batur. Loba kasus jalma dipikanyaah teh kalah mulang cai tuba. Mun dipikanyaah ku batur teh kudu buktikeun sikap nu alus, ulah nepi ka terkesan mulang goreng. Mun aya nu mikanyaah atawa mere gawe teh syukuri, anggursih bere nu terbaik samaksimal mungkin nu urang bisa. Lain kalah ngarugikeun batur ku ngalicikan atawa minteran jalma nu geus bageur sabab aya kauntungan jang diri sorangan, ke mun kanyahoanna bakal era pisan diri soranganna. Mantak, yuk biasakeun piceun kagorengan di diri sorangan, tanamkeun kahadean samaksimal mungkin!", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9531", "text": "Hasil usaha urang dina ngerjakeun soal pikeun lulus ujian tangtu hiji kabagjaan husus pikeun urang. Henteu ngan ukur pribadi anu bakal ngarasakeun kareueus, tatapina sakabeh jalma anu aya bakal ngarasakeun perasaan anu sarua nyugemakeunna. Salian ti eta, lulus ujian oge bakal muka kasempetan pikeun neraskeun ka tingkat anu langkung luhur sareng ngudag tujuan impian urang. Salian ti eta, rasa bagja anu dirasakeun sanggeus hasil lulus ujian oge bakal ngajadikeun hiji jalma leuwih percaya diri jeung yakin kana kamampuh sorangan. Ieu tangtu bakal pisan mantuan batur dina nyanghareupan tantangan dina mangsa nu bakal datang. Ku kituna, teu aya salahna mun urang teras ikhtiar jeung ngadoa sangkan bisa lulus ujian kalawan hade, sabab kabagjaan anu bakal dimeunangkeun tangtuna kacida berhargana.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7567", "text": "Penting pisan kanggo urang mariksakeun kaayaan kandaraan urang sateuacan dianggo, hal ieu janten penting lantaran abdi pernah ningal aya jalmi anu kacilakaan lantaran rem motorna blong. Pas abdi ngantosan angkot di halte, abdi ningal aya hiji motor anu ngebut pisan ti kajauhan, padahal anjeunna nuju di jalur laun, tapi kalahkah kekebutan, singhoreng manehna ngajorowokan kandaraan anu sanesna pikeun awas lantaran rem manehna blong. Kandaraan anu aya di hareupeun manehna langsung nyarisi, tapi beuki lila manehna beuki ngadekeutan trotoar, jigana mah manehna hayang nabrakeun motorna ka trotoar ameh ereun. Abdi anu nuju cicing di trotoar langsung buru-buru kabur lantaran sieun katabrak. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6949", "text": "Basa leutik tuti sok dibuburu wae ku mamahna. Lamun bade angkat ka sakola, basa manehna nuju mandi, make acuk, tuang, ngerjakeun pr, pokonamah sadayana dibuburu wae ku mamahna. Teu sadar yen eta teh nyatana mah janten hal anu ngaruh ka manehna apas geus dewasa. Pokona lamun manehna teu buru-buru bakal diambekan jeung diseuseulan ku mamahna. Pas manehna geus gede manehna janten jalmi anu gampang pisan hariwang jeung ngalakukeun sagala-gala teh buru-buru pisan siga jalmi anu teu gaduh waktos seeur, padahal teu aya nu ngabuburu manehna. Tapi lantaran tos kabiasaan dibuburu manehna teu sadar janten jalmi anu buru-buru dina sagala hal. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7253", "text": "Dinten ieu janten kahiji kalina abdi angkat ka luar kota nyalira, teu dibaturan ku sasaha. Abdi tos meser tiket ti lima poe sateuacanna. Pangawis tiket ti Bandung ka Cimahi teh mirah pisan, ngan lima rebu. Peuting-peutingna sateuacan angkat ka Cimahi abdi tos nyiapkeun barang kanggo angkat ka Cimahi. Isuk-isuk abdi hudang, teras ningal jam epekteh geus jam lima subuh, padahal abdi kedah angkat jam genep enjing, jaba ka stasion oge kedah naek angkot heula sajam, moal kaburu. Abdi langsung pakpikpek mandi jeung buru-buru angkat ka stasion, tapi pas nepi di ditu kareta geus angkat. Kapaksa abdi kedah meser tiket deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7298", "text": "Taun ieu janten momen ulang taun anu paling abdi inget saumur hirup. Sanes ku lantaran bungah ku acara ulang taun, tapi lantaran ieu mangrupakeun acara ulang taun anu paling goreng anu abdi alaman. Pangalaman ieu oge janten palajaran kanggo abdi sareng rerencangan supados leuwih ati-ati deui lamun ngalakukeun hal anu aya seneuna. Pas rerencangan nuju nyiapkeun acara ulang taun kuring, rerencangan nuju niupan balon kanggo dekorasi. Seeur pisan balon anu kedah ditiup supados sae kanggo popotoan. Tapi teu disangka pas acara tos bade dimulai, aya rerencangan abdi anu ngahurungkeun korek kanggo ngaroko, pas pisan aya sababaraha balon anu bitu jeung ngaluarkeun seneu anu badag. Untungna abdi sareng anu sanesna langsung mawa cai kanggo mareuman seneu eta. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8991", "text": "Waktu keur leutik mah kuring teh biasa ulin ka sawah jeung babaturan. Kuring ngala loba tutut leutik jeung keuyeup jang ulin engké di imah. Waktu éta patani teh nuju teu aya, jadi arurang teh nyokot jagong anu aya di eta sawah. Tétéla bari sibuk metik jagong, ujug-ujug anjing patani lumpat gancang ka urang. Kusabab sieun, urang tungtungna kabur, tapi si anjing teh ngudag arurang. Urang lumpat ngurilingan sawah bari mawa tutut, keuyeup jeung jagong nu karek diala tadi. Waktu éta kuring teh budak nu awakna pang leutikna, jadi kuring lumpat pang tukangna. Kabeneran aya babaturan kuring anu awakna ageung, kuring digendong dina tonggong manehna bari lumpat kabur ti anjing. Ti harita kuring teu hayang deui ka sawah, komo bari nyokot jagong bari teu idin.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5260", "text": "Cara ngalihkeun kasedih sabab teu katarima ku kampus nu diidam-idamkeun. Nu kahiji nyaeta cari kasibukan. Tah cari kasibukan na teh mangrupa kagiatan nu positif, nu aya mangpaatna jang urang sorangan. Sabab mun urang geus aya kagiatan mah saeutik-saeutik bakal poho kana kasedih teh da rada kabangbrahkeun. Tuluy nu kadua nyaeta liburan, rek jeung babaturan atawa jeung kulawarga. Supaya urang teu sedih teuing, mending indit liburan ka tempat nu endah. Supaya saeutik bisa mohokeun kasedih, liburanna kudu dibaturan ku nu bener-bener asyik jeung bisa ngahibur urang. Tah nu terakhir nyaeta diajar. Mun aya keneh rasa sedih dina hate, leuwih alus lampiaskeun na kana diajar. Urang kudu leuwih getol diajar supaya bisa ngabuktikeun taun hareup mah bisa asup ka universitas impian teh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2497", "text": "Saterasna acara puncak acara, nyaeta panutup anu ditutup langsung ku sutradara simkuring. Nepi ka hiji poé manéhna maca salah sahiji artikel \"Dewan Syukur\" anu urang tulis kamari. Nalika anjeunna maca salah sahiji makalah, éta kadéngé akrab, tapi tétéla milik kuring. Sarta di ahir acara tétéla yén anjeunna geus cicingeun disimpen kado panungtungan pikeun momen ieu, anjeunna disebut ngaran kuring jeung masihan kuring kado sabab nurutkeun anjeunna tulisan kuring ngeunaan Majelis sukur éta geulis alus. Tungtungna, kantong anu kuring pikahoyong janten milik kuring dina cara anu kuring henteu nyangka. Sareng ayeuna kuring parantos masihan kantong ka batur-batur kuring salaku kenang-kenangan sabab kuring henteu deui damel di éta tempat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "325", "text": "Aya paribasa Sunda anu pasti arapal da geus mindeng didengekeun. Nyaeta paribasa Cikaracak NInggang Batu Laun-Laun Jadi Legok. Paribasa ieu boga arti nu jero lamun ku urang diregepkeun mah, enya oge pas keur leutik pas mimiti ngadenge teu kaharti. Tapi ayeuna mah ngarti yen rek sakumaha wae ge kasusah nu aya dihareupeun, tapi lamun digawean tuluy mah bakal meunangkeun hasil. Jadi sanajan meunangkeun kasusah atawa kagagalan, ulah nepikeun ka pareum harepan. Justru lamun urang tekun jeung konsisten mah ieu bakal jadi konci dina urang nyanghareupan kasusah atawa kagagalan. Papatah ieu kadengena emang klise, tapi lamun dipikir-pikir mah da enya mun urangna konsisten jeung daek diajar tina kagagalan lain teu mungkin urang bakal meunangkeun kasuksesan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3025", "text": "Abdi henteu terang kumaha teknisna, tapi nganggo rem tangan nalika mobilna obah, saur kuring, bahaya pisan. Mobil bisa ngagulidag. Kusabab rem leungeun ngonci, jadi mobil obah lamun rem leungeun ujug-ujug dipaké, ban mobil langsung ngonci, bari inersia mobil masih tinggi. Naha anjeun tiasa ngabayangkeun upami ban sapédah ujug-ujug diselapkeun sareng pipa beusi di antara jari-jari nalika éta masih jalan? Paling dipikaresep, nu cyclist bakal dibanting. Atawa bari lumpat ujug-ujug suku urang kasandung batu. Naon deui, mobil, kalayan inersia sareng inersia anu langkung ageung tibatan sapedah, kedah gaduh pangaruh anu langkung ageung. Pikeun rem normal, lamun dipaké masih masihan mobil kasempetan pikeun laun ngurangan inersia na (anjeun terang naon inersia?). Tapi rem ogé tiasa bahaya pisan upami ujug-ujug ngonci. Éta sababna aya fitur rem anu katelah ABS (Anti Lock Braking System) anu nyegah rem ngadadak ngonci nalika dianggo.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4049", "text": "Urang ti bareto resep pisan ka NCT, urang sok ngadengekeun lagu-laguna, sok nonton konten-konten di youtubena jeung sok nyaho wae kabarna tina instagram. Di grup NCT teh urang paling resep ka si mark, rencana na tahun 2023 NCT DREAM bakalan ka indonesia rek ngaayakeun konser anu judulna \"THE DREAM SHOW 2 IN JAKARTA\" urang bungah pisan hayang amprok jeung si mark, hayang saukur ningali wujud nyatana kos kumaha biasana sok beda jeung dina poto. Jang ngawujudkeun impian urang nempo si mark, urang ngumpulkeun duit tina duit gajihan perbulan. Nepi ka tara jajan, ngan saukur di pale ongkos angkot hungkul, dahar ge unggal poe bekel sangu ka tempat gawe paling jeung mie atawa endog. Nepika akhirna urang meunangkeun duit anu cukup sakeur nonton konser, terus urang meuli tiket, baju, topi, sapatu jeung sagala rupana. Pas nonton urang bungah pisan, jiga teu nyangka jalma jiga urang anu gajihna leutik bisa oge ngabogakeun pengalaman nempo idola anu di pika resep. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5980", "text": "Hal-hal nu kudu dilakukeun mun urang keur meunang ancaman ti babaturan. Nu kahiji nyaeta kudu wani ngalawan, ulah nepi ka lemah. Mun urang wani ngalawan mah, nu ngancam na ge bakal mikir keras jang naklukeun urang. Kudu wani heula ngalawan sagala nu diancamkeunna. Nu kadua nyaeta urang kudu lapor ka pihak berwajib. Mun ancaman na dirasa geus kaliwatan atawa geus teu bisa ditolerir, urang berhak ngalaporkeun ka pihak berwajib, nyaeta polisi. Nu katilu nyaeta urang kedah wani matahkeun ancamanna, atawa ngancam balik. Buktikeun yen urang teu salemah nu dikira. Kudu mastikeun yen diri urang bakal aman mun ngalakukeun serangan balik, tapi inget catatan na kudu aya bener di urang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6377", "text": "Tilu hal anu bisa dijadikeun sumber pinjaman dina masa covid-19 joga ayeuna. Nu kahiji nyaeta minjem ka bank. Biasana mun minjem ka bank mah setoran na sok sok bulaman rutin, jadi bisa aya waktu jang ngumpulkeun angsuran na heula. Nu kadua nyaeta koperasi simpan pinjam. Tah didieu teh loba nu nginjeum sabab mayaran cicilanna unggal poe rutin. Jeung deuih nilaina moal gede, jadi moal karasa nyetoran nana. Nu katilu nyaeta make pinjaman online jiga Akulaku, Shoepe Paylater, jeung sajabana. Dina pinjaman online mah biasana tara aya nu nagih ka bumi mun setoran lancar mah, beda jeung di koperasi. Mantakna, pinjol teh leuwih diminati ku para penghutang zaman ayeuna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1073", "text": "Hiji waktu ulin ka imah babaturan, imahna teh gede pisan. Saumur-umur urang asup ka imah nu agreng kieu. Tuluy pas peutingna urang dititah nyokot gelas dina lomari. Jadi weh urang turun tangga heula da posisina keur di kamar lantai dua. Gelas nu ku urang bawa teh dua, gelasna alus pisan da di imah urang mah euweuh gelas nu kawas kieu. Pas keur naek tangga rek ka luhur, si gelas teh ku urang diadu-adukeun lalaunan tadina mah heureuy meh aya sora. Apek teh peupeus, atuh urang sieun dicarekan ku indungna sabab geus meupeuskeun gelas nu alus ieu. Komo ceuk babaturan mah hargana oge mahal. Ku sabab sieun dicarekan urang jadi tara deui ulin ka imahna. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5655", "text": "Poe ieu abdi aya urusan ka daerah Cianjur. Ngahaja inditna rada isuk supaya teu katinggaleun bus. Abdi inditna nyalira sabab teu aya nu sajalan jeung abdi. Pas dugi ka daerah Padalarang, bus na teh langsung eureun, teu maju deui. Ningali ka hareup teh macetna meuni panjang pisan. Ai singhoreng mah aya perbaikan jalan jadina diberlakukeun buka tutup jalan. Geus satengah jam can maju pisan, mobil bus dipareuman sabab ngirit solar ceunah ceuk supirna, atuh kabeh panumpang kapanasan di jero. Abdi meuni geus kesel pisan. Nya panas dina jero bus, nya lila teu maju wae, nya geus cangkeul diuk deuihan. Meuni geus hayang ambek-ambekan. Geus hampir sajam lumayan bisa maju sababaraha puluh meter. Biasana ngaliwatan padalarang teh ngan sajam, ieu mah nepi ka tilu jam. Meuni keuheul pisan eta macet kabina-bina.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3275", "text": "Sacara pribadi, kuring henteu benci kutu salami aranjeunna tuang pasangan saatos kawin atanapi ngalakukeun naon waé anu dilakukeun ku serangga di antara aranjeunna. Tapi upami aranjeunna nyerang privasi kuring, kuring moal ragu pikeun nincak bug sanaos éta ngaganggu nalika kuring ngalakukeun. naha kecoak ngajijikkeun? Mangga tingali gambar di luhur. Anjeun ngajijikeun? Jujur kuring ngarasa ngajijikeun. Cucunguk mangrupakeun salah sahiji jenis sato anu kuring sahenteuna hayang papanggih, sarta kuring ogé hate nanaon ngalakonan jeung jenis maranéhanana. Sanajan kadang urang papanggih di tempat nu tangtu. Sabenerna, nu ngajadikeun cucunguk disgusting di panon kuring nyaeta aranjeunna lolobana cicing di tempat kotor. Tingali kana tong sampah atanapi pembuangan limbah, aranjeunna biasana resep ngepung di dinya. Éta ogé resep eureun di imah kotor, jadi tetep imah bersih, ngarah kecoak teu betah cicing di imah anjeun. Sajaba ti éta, tétéla yén cucunguk mangrupakeun vektor panyakit jeung baktéri ngabahayakeun lianna. Dina jero lambung aya loba baktéri jeung kuman anu ngabalukarkeun kasakit kayaning typhus, diare, komo inféksi saluran kemih.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "283", "text": "Dekorasi nu aya di acara kawinan sok beda-beda, salian ti nyesuaikeun tempat oge kumaha loba henteuna biayana. Dekorasi imah jeung gedung tangtu beda, dina segi legana oge beda, di gedung leuwih laluasa jang ngadekor sabab lahanna anu lega. Nu sok aya di dekorasi kawinan di gedung teh nyaeta panto asup, sok ngajieun gapura sorangan jang dihias, di sisi kenca jeung katuhuna diteundeun pot kembang. Tuluy sok nyieun oge jalan satapak anu menuju ka tempat pelaminan, biasana ieu make karpet warna beureum. Lamun di pelaminan sabab jadi titik puseur resepsi biasana porsi biayana leuwih gede, sabab jadi fokus utama ti acara jeung jadi latar belakang dina tiap foto.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1040", "text": "Lamun ninggali jurig, usahakeun urang ulah ninggali matana. Mun teu ninggali mata jurig nu keur ngaganggu urang maka bakal leuwih gede urang bisa ngendalikeun rasa sieun nu aya dina pikiran urang sorangan. Lamun urang ninggali jurig jeung matana, urang bakal cicing jeung teu bisa gerak. Usahakeun urang teu ninggali matana, mun ninggali awakna mah masih teu nanaon. Lantaran mun ninggali langsung matana bisa wae urang terpaku tuluy jadi pingsan. Lamun teu kahaja katinggali matana, buru-buru urang ngalieuk jeung saolah-olah teu ninggali kaayaan manehna. Urang kudu pura-pura teu ninggali manehna, ieu ge cara nu alus jang ngurangan rasa kasieun anu kaleuleuwihi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2608", "text": "Kapala asrama junun nolak, tapi sababaraha minggu ti harita, kapala aparat lokal ngagero sababaraha warga asrama urang. Pejabat éta ngabéla anggotana, sareng nampik pernyataan para mahasiswa yén nalika kajadian éta, anggota pasukan kaamanan sumping sabari mabok. Anjeunna sabenerna ngancam siswa jeung maksa aranjeunna ngaku maranéhna salah, tinimbang anggota aparatur. Dina tanggal 17 Agustus 2019, pulisi nangkep 43 mahasiswa Papua di Surabaya, Jawa Wétan, anu dituduh ngahina bendera Indonésia dina perayaan HUT Kamerdikaan. Pulisi ngagorowok hinaan rasis ka aranjeunna, nyerbu asrama, sareng nganggo gas cimata pikeun maksa aranjeunna kaluar.\" Aya loba bentuk jeung dampak rasisme di Indonésia, sarta dua kajadian di luhur ngagambarkeun dua bentuk béda rasisme ngalawan urang Papua. Rasisme sabenerna geus ngaronjat sabab urang Indonésia teu ngobrol ngeunaan naon éta rasisme, naon rupa, jeung naon balukarna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7299", "text": "Abdi gaduh hiji tatanggi anu bapana digawe janten ojek, mamahna digawe janten anu sok babantos di bumi batur. Hiji waktos basa abdi nuju ngajar ngaji barudak di masjid dekeut imah, aya salah sahiji budak anu hoyong pisan meser kue kanggo ulang taunna anu ka tujuh taun. Manehna nyarios yen manehna teu acan pernah dipasihan kue. Pas abdi taros, epekteh eta murangkalihna tukang ojek eta. Abdi sareng barudak anu sanes langsung ngarencanakeun kanggo meser kue kanggo budak eta, namina Alif. Urang langsung udunan, jeung langsung kakumpul tilu ratus rebu, jumlahna tos leuwih ti cekap. Alif atih pisan jeung reuwas pas apal manehna meunang kue. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5518", "text": "Rata-rata jelema pasti sieun ku jurig. Naha nya? atau sabab bentukna nu serem? Biasana manusa sok sieun pisan mun ditembongan ku nu ngaranna jurig. Teu kapalang, sok aya nu nepi ka ngabret lumpat saking ku sieunna. Aya nu dugi ka cilaka sabab kalap lulumpatan ningali jurig. Padahal, sabisa mungkin kudu na mah urang tong sieun, sabab ceunah mah jurig teh justru leuwih sieun ka manusa. Jadi, mun urang sieun, jurigna ngalahka makin ngawujud, tapi sabalikna, mun urang teu sieun mah si jurig na ge bakal ngaleungit sorangan da ngorotan energina. Ku kituna, urang kedaj na mah babacaan sing khusyu jeung tenang, ulah panik komo ngabret lumpat mah, sabab bisi cilakaa ku polah sorangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2079", "text": "aman SD-SMP, kuring resep nganjang ka toko loak. Tangtosna, tempat-tempat barang rongsokan satempat (kuring disebut kitu) mah béda di Jakarta jeung di kota kuring. Di kota mah ngan ukur aya 5-6 padagang loak, komo di salah sahiji pasar di kota mah. Barang-barang anu dijual terbatas, ngan ukur buku (seuseueurna), kolbu bekas, sareng bal ténis bekas. Kalan-kalan ogé gawéna jadi tukang payung, balik deui kana hobi kuring, baheula mah resep néangan buku di pasar loak. Alesanna pasti tiasa diprediksi: hargana langkung mirah. Pikeun hiji komik biasana ngan hargana 1500–3000 rupiah (kudu pinter nawar ngarah teu eleh),. Sajaba ti éta, kuring kungsi resep moro majalah Bobo dipaké (kusabab kuring teu mungkin maksa kolot mah meuli majalah Bobo dina dasar langganan), kitu ogé majalah Donald Duck (panungtungan waktu kuring dipariksa di Gramedia, nu. hargana ayeuna 150–250k per salinan).", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1104", "text": "Cara nu bisa dilakukeun pas diudag ku oray. Nu kahiji ulah nyerang oray, sanajan urang hayang nyerang oray ku awi atawa batu, tapi ieu bisa nyieun oray ngarasa kaancam jeung malik nyerang urang. Coba jang ngahindar tina kontak fisik jeung oray oge gerak lalaunan. Nu kadua coba jang leumpang mundur lalaunan, ngajauhan oray ku jarak anu aman. Ulah malikeun tonggong urang ka arah oray lantaran ieu bisa nyieun oray ngarasa kaganggu. Lamun bisa pilih rute nu aman jang ngajauhan oray. Coba jang ngahindar tina tempat-tempat anu mana oray biasana hirup siga di semak-semak, tumput nu luhur, atawa di deukeut walungan. Nu terakhir penting oge unggal jenis oray teh mibogaan perilaku jeung respon nu beda-beda, ku sabab kitu penting jang ngahindar tina kontak fisik jeung oray.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "658", "text": "Basa SMA boga babaturan deukeut pisan nepikeun kamamana teh tiluan wae, disebutna ge tiga serangkai. Tapi di hiji waktu urang panggih nu mirip jeung manehna pas di Jakarta, urang mastikeun heula ku nanya ngaranna da paurna salah. Bener weh ieu babaturan urang pas keur SMA, langsung mgobrol bari tukeuran nomor WhatsApp ngarah mun papanggih teh babari. Sabenerna urang reuwas bisa panggih di kota sejen jeung manehanana ku cara nu teu dihaja-haja. Tapi syukur oge manehna masih keneh wanoh ka urang, tapi da rek teu wanoh kumaha da pas keur SMA na kaditu kadieu babarengan. Urang nu teu boga batur di Jakarta sabab masih anyaran ayeuna mah aya baturna. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1386", "text": "Pas urang ninggali tumpukan sampah di sabudureun urang, urang ngarasa sedih sakaligus ngarasa geuleuh, Lantaran tumpukan sampah nu gede eta nimbulkeun bau anu teu ngeunah oge mangrupakeun tanda yen lingkungan nu aya di sabudureun urang teh henteu dikelola ku cara anu bener. Sanajan geuleuh, tapi urang henteu hare-hare pas ninggali tumpukan sampah nu aya dihareupeun panon eta. Urang ngarasa terpanggil jang ngalakukeun tindakan nyata jeung mantuan ngaberesihkeun lingkungan nu aya di sabudureun. Urang nyokot hiji kantong plastik jeung nyokotan sampah-sampah nu geus kasebar di sabudureun tumpukan sampah. Lantaran bauna nu teu ngeunah, urang sabari make masker supaya kajaga oge kasehatanna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2072", "text": "Anjeun tiasa ngalakukeun anu pangsaéna pikeun ningkatkeun kasempetan pikeun meunang, contona:\nPerhatoskeun sarat sareng kaayaan undian. Tuturkeun sabisa-bisa supados henteu kakantun salah sahiji sarat.\nLamun diidinan ku panitia pikeun mairan saloba mungkin, ulah kitu. Lamun teu diwenangkeun, ulah ngalakukeun eta, anjeun bakal diblokir sabab dianggap pamburu giveaway.\nngadoa. Teu aya anu lepat sareng ngadoakeun ka Gusti supados rejeki aya di sisi anjeun.\nSaluareun éta, anjeun kedah sadar yén nami giveaway dina tungtungna murni kusabab faktor tuah. Sami sareng anjeun maén lotre.\nSanajan anjeun geus spamming komentar saloba Anjeun tiasa, lamun teu untung, anjeun moal meunang. Kantun nampi éta kalayan anggun sareng henteu émosional.\nAnu paling penting, ulah jadi bodo ku protés ka panitia atanapi ngatéror para juara. Utamana upami anjeun ilubiung dina undian ieu GRATIS, gratis. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "327", "text": "Pas ngalaman kagagalan rasana teh geus euweuh harepan deui jang hirup leuwih hade. Saolah-olah jadi jelema nu teu untung, rasana teh naon wae nu dilakukeun geus euweuh artina deui. Ngarah bisa hudang deui tina kagagalan, aya cara nu bisa dicobaan jang lengkah mimiti. Nu kahiji bisa balik deui ngajaga pola hirup anu sehat, siga ngatur deui jadwal sare anu leuwih cukup jeung boga kabiasaan dahar jeung olahraga nu hade. Cara ieu bisa ngahudangkeun deui sumanget nu leuwih gede jang ngajalanan hirup jeung bisa ngahargaan kahirupan nu dipiboga. Nu kadua bisa coba tekun deui kanu hal-hal nu dipikaresep, sanajan gagal wae terus-terusan, tapi kudu ngaimbangina ku cara ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5692", "text": "Mun cicing di Indonesia mah kudu siap kana sagalana, teemasuk hal leutik nu jadi perkara gede. Indonesia jadi nagara nu boga kaberagaman salah sahijina tina aspek agama. Agama nu diakui di Indonesia teh aya lima nyaeta Islam, Kristen, Hindu, Buddha, jeung Konghuchu. Dina ngajalani kahirupan sapopoe ge sok babarengan jeing harmonis sabab saling ngartikeun. Tapi aya oge sababaraha pihak nu sok sentimen kana isu agama. Tah, hal leutik eta ulah nepi ka ngajadikeun konflik nu leuwih luas. Sabab pada dasarna mah urang Indonesia geus cukup silih toleransi jeung ngahormati. Ulah nepi ka nimbulkeun konflik sensitif. Jadi, yuk urang pererat deui silaturahmi antarumat beragama ku lobakeun kolaborasi!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1424", "text": "Aya rapat bualanan di tempat urang gawe teh. Harita teu make bangku, jadi diukna pagigir-gigir sabari lesehan. Tuluy babaturan urang ngangseu-ngangseu irungna teh da meureun karasa aya nu bau, tuluy manehna ngangseu kelek urang. \"Ih maneh mah bau!\" Manehna indit sabari nutup irung. Urang era pisan disebut bau keur mah deuih loba jelema didinya teh. Nepikeun urang boga nenehan anyar, nyaeta disebut \"kelek\". Lamun nyebut urang teh lain ngaran asli deui ayeuna mah, tapi \"Lek, lek\". Urang nyadar ti harita teh, emang da tara make deodoran. Jadi saprak kajadian eta mah urang make deodoran da bisi kelek urang bau deui.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9019", "text": "Dina hiji kasempetan kuring kapilih ngawakilan sakola kuring pikeun milu pelatihan di salah sahiji tempat. Mangkat ka tempat pelatihan teh bareng jeung babaturan anu anyar wanoh. Mangkatna make kareta api. Puguh matak sieun kacida pikeun kuring mah lantaran samenehna can pernah ngasaan naek karena api. Untung babaturan anyar teh bageur pisan. Ti mimiti meuli tiket tug nepi ka mangkatna daek marengan. Kareta nu ditaekan teh kelas eksekutif. Atuh sabetae lalega jeung laluasa di jerona teh teu pasesedek. Ngan angger bae keur kuring nu kakara pisan naek kareta mah kaayaan di jero kareta teh asing jeung matak hariwang. Loba kasieun, sieun kitu sieun kieu. Komo ngarasakeun laju kareta nu cepet pisan mah, beuki we hariwang. Kira-kira nepi daerah Bekasi, kuring hoyong ka cai. Ngajakan ka babaturan. Untung anjeuna kersaeun. Karek ge sup ka toilet, gejlug kareta karasa ngagejlug tarik pisan. Atuh jajantung ratug, sieun kacida. Gura-giru kuring ka luar ti toilet. Ari geus di luar, kuring reuwas deui sabab babaturan euweuh di luar. Hayang ceurik da puguh sieun, bingung kudu kumaha. Sabot keur culang cileung kudu kumaha, kulutrak aya panto muka. Horeng anjeuna oge sarua kahampangan, lebet ka toilet nu sabeulah deui. Alhamdulillah hate kuring ngemplong.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7541", "text": "Balik ti kampus abdi langsung disamperkeun ku pun adi, manehna langsung ceurik lantaran motongkeun kaca panon gaduh mamah. Pas eta mamah teu acan balik ka imah. Eta kaca panon tos teh dicobian dibenerkeun make lem, tapi angger potong. Manehna tos teu apal deui kumaha carana supdos eta kaca panon bener deui. Komo tos rek tabuh tilu sonten, hartina sakedap deui mamah bakal balik ka imah. Manehna beuki sieun nepikeun naros pangaos kaca panon jeung bade mepeuskeun celengan kanggo ngagantian eta kaca panon. pas mamah tos mulih, manehna nyumput di kamar sabari ceurik, abdi langsung nyaritakeu kajadianna ka mamah, untungna mamah emang tos meser kaca panon anu sanes. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9572", "text": "Ahmad nyaeta lalaki nu geus mangtaun-taun kawin jeung pamajikan nu dipikanyaah ku manehna. Sanajan kitu, sanggeus sababaraha waktu, Ahmad teu sugema dina kahirupan rumah tangga sarta mutuskeun pikeun cerai jeung pamajikanana. Mimitina, Ahmad lega ku putusan cerai. Manehna ngarasa saolah-olah geus dibebaskeun tina beungkeut anu matak nyeri jeung ngarasa yen ieu teh kaputusan pangalusna pikeun duanana. Sanajan kitu, sanggeus sababaraha waktu, Ahmad mimiti ngarasa kaduhungan pisan. Manehna sadar yen putusan cerai teh kasalahan gede nu ngancurkeun hirupna jeung nyieun manehna leungiteun batur nu dipikacintana di kahirupan manehna. Ahmad ngarasa geus ngorbankeun sagala-galana ngan ukur ngabebaskeun ego manehna, ayeuna manehna ngarasa kaleungitan sagalana. Kaduhung Ahmad terus nyilakakeun sapanjang hirupna, sarta henteu bisa bener-bener narmakeun kana kaputusan manehna pikeun cerai jeung pamajikanana. Manehna ngarasa yen manehna geus kaleungitan hiji hal nu kacida berhargama, jeung manehna sok ngarasa yen manehna geus nyieun kaputusan anu salah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9222", "text": "Liburan ahir taun, kuring jeung kulawarga indit ka tempat wisata. Tempatna teh lega pisan, aya wahana, aya walungan, seueur kaulinan, sareng anu paling kuring resep nyaéta kolam renang anu aya cai haneutna. Kuring sareng adi kuring milih ngojay di kolam renang eta, urang ganti baju renang heula, teras pemanasan sababaraha menit, karek luncat ka kolam renang. Waktu keur di kolam renang, kuring teh ujug-ujug hayang hitut, bari geus teu kuat deui. Tadina rek naek heula, tapi jauh ti tangga, teras kuring teh kentut weh di kolam renang. Nalika kuring kentut, kuring ningali gelembung kaluar tina cai, tétéla éta teh kentut kuring. Kuring ngarasa éra sebenerna mah, tapi untung teu aya anu ningali gelembung kentutna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4676", "text": "Urang geus pernah nempo jurig, tapi anu ku urang paling di pikasieun mah kunti, basa nempo kunti anu di luhur genteng pas balik ujian kuliah urang ngirana eta haseup ti tukang sate. Tapi pas di tingali lewih deukeut haseupna leumpang kaditu kadieu terus aya buukan, makin deukeut makin katempo aya sukuan tapi teu napak icingna teh di tangkal asem. Tangkal asemna teh gede pisan loba akaran, ku sabab teu di urus da hareupeun imah kosong. Pas urang geus deukeut ka sumber anu bodas-bodas siga haseup eta urang langsung nempo bengeutna, katingalina teh beungeutna bodas pisan lewih ka pucet terus buukna panjang ngarumbai. Urang tungkul da teu wani nempokeun lila-lila, ai pas rek nempo deui eta si kunti nyahona mah keur nempokeun urang bari seuri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4054", "text": "NCT 127 nyaeta sub-unit kadua ti grup NCT nu di bentuk ku SM Entertainment, ngaran unit na mangrupi kombinasi ti akronim Neo Culture Technology jeung angka \"127\" nu ngawakilkeun koordinat bujur kota seoul. Debutna teh di tanggal 7 juli 2016 kalawan album mini, anggotana teh aya Taeil, Taeyong, Yuta, Jaehyun, Doyoung, Johnny, Jungwoo, Mark jeung Haechan. Lagu anu mantak NCT 127 di kenal ku loba jalma teh nyaeta \"cherry bomb\", nepika di puji mun lagu eta teh bener-bener lagu anu ngagambarkeun NCT 127. Anu ngajieun NCT 127 lewih sukses nyatea ti lagu kick it nepika anu kamari 2 baddies teras ngajieun konser kamana-mana salah sahijina ka indonesia. Urang nonton di Cat 1B anu lumayan deukeut ka panggung mun ti gigir, mun di itung-itung aya ratusan lewih anu nonton, tapi teu pasedek-sedek masih bisa ajrut-ajrutan bari nyanyi jeung gogowakan, pas di lagu Love Song urang leweh kusabab bungah bisa amprok jeung kabeh anggota NCT 127.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2182", "text": "Réaksi kuciwa ieu bisa ngabalukarkeun rumaja ngarasa déprési, pundung, ngarasa karunya ka dirina sorangan, nimbulkeun rasa teu mampuh atawa henteu mampuh, anu lamun terus-terusan bakal nurunkeun harga diri malah ngahalangan usaha pikeun ngahontal cita-cita kahareupna. Naon, kuring kudu dirojong ku kolot kuring, anu bener-bener ngabahas jeung méré sudut pandang alternatif. 2. Kolot bisa ngajak murangkalih pikeun ngabahas naon sababna anu matak kuciwa?; naha ekspektasi atawa harepan maranéhanana realistis atawa henteu?; naon bisa diajar ti moment ieu?; naon nu bisa dilakukeun sangkan maranéhna bisa ngarasa bagja jeung sugema deui? 3. Coba telusur hal-hal positip anu masih bisa dilakukeun tina kaayaan anu karandapan. Lamun kolotna rék nyoba nyadiakeun sudut pandang atawa gagasan ngarengsekeun masalah, pastikeun yén anak geus réngsé nganyatakeun pamadegan sarta siap narima pamadegan kolotna. sarta ahirna 4. Hindarkeun nyieun alesan atawa janji manis atawa ngiritik jalma anu nguciwakeun aranjeunna sabab bisa ngakibatkeun barudak ngarasa leuwih loba hal négatip ngeunaan jalma éta. Fokus kana parasaan anu aranjeunna alami sareng ngajarkeun aranjeunna ningali kaayaan dina kontéks anu langkung lega.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2069", "text": "Ieu trik (sareng tuah) aya hiji budak di kantor kuring sareng legenda, kusabab sering meunang Antara 2012–2016, anjeunna meunang 23 undian, hadiah panto, kompetisi jeung saterusna. Hadiahna diantarana gelas, HP, TV, piknik ka Raja Ampat, malah lalajo F1 di Sepang, Malaysia. Ti taun 2016 dugi ka pandémik, enya masih sering meunang, ngan teu menta itungan jumlah kameunangan sabab rada sirik. Anjeunna masih sering datang ka méja pamer ponsel na nepi ka voucher SPBU jeung carita pasti ngeuanaan meunang lotre ieu atawa éta. Naon anu dilakukeun ku murangkalih di kantor kuring mangrupikeun kombinasi tuah sareng kaahlian dina ngagunakeun téori kamungkinan. Ampir unggal minggu datang ka acara-acara anu mawa hadiah, saperti seminar, pameran, jeung sajabana jeung pasti meunang, bener-bener tuahan eta jalma.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2438", "text": "Jepang ogé teu leupas tina carita-carita gaibna. Salah sahiji tokoh tina carita hantu nyaéta Shirime. Tokoh hantu ieu asalna tina legenda anu mekar di kalangan masarakat Kyoto, kota anu pernah janten ibukota kuno Kakaisaran Jepang. Shirime mangrupikeun salah sahiji yokai atanapi hantu kalayan wajah datar sareng hiji panon ageung dina dubur na (punten). Carita mimiti sumebar di jaman baheula nalika saurang prajurit samurai dicaritakeun leumpang di pinggiran leuweung, nalika anjeunna teu kahaja nepungan hiji sosok anu nyarupaan manusa buligir. Manéhna leumpang sorangan peuting ka wewengkon Kyoto. Manéhna ngadéngé aya nu nelepon manéhna jeung nelepon kaluar ngadagoan manéhna. Samurai nanya gugup, \"Saha didinya?\" bari ngalieuk ka tukang. Saurang sosok manusa katémbong nyobek-nyobek kaméjana tuluy némbongkeun imbitna ku panon. Méméh soldadu ditebas ku pedang samurai-Na, mahluk aneh dumadakan mucunghul. Lajeng panon ujug-ujug dibuka tina dubur. Kajadian éta nyieun samurai reuwas jeung sieun sarta langsung kabur ti éta tempat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4056", "text": "Babaturan urang rata-rata pada gawe di pabrik, soalna di kampung urang emang lolobana pabrik. Urang ge gawe di pabrik beton bagian keuangan, anu ngitungan pajak. Urang gawe ti tahun 2016 bulan november, nepika tahun 2020 urang masih bertahan da kusabab betah. Tapi basa tahun 2020 di bulan maret aya virus corona asup ka indonesia, saengges virus eta asup kabeh ka'ayaan di kahirupan masyarakat rubah total. Malah pernah di wajibkeun gawe di imah, meni rariweh pisan jaba urang kudu make sistem perusahaan da teu bisa di bawa balik gawean na. Paling mun pembukuan mah urang bisa di imah, pokona basa eta serba susah hirup teh. Teu lila pas bulan agustus tahun 2020 loba nu di PHK di bagian pemasaran, bagian gudang, jeung bagian produksi, terus bagian keuangan ge aya nu geus di PHK. Urang geus boga rarasaan bakalan di PHK ku sabab perusahaan na geus teu sanggup ngagajih karyawan, gajih urang ge nunggak dua bulan can di bayarkeun. Pas geus aya opat orang anu di PHK bagian keuangan, giliran urang anu di sitah nyieun surat pengunduran diri. Didinya urang sedih pisan, komo pas di nyatakeun kaluar urang leweh bari nangkeup babaturan gawe anu sarua di PHK. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5143", "text": "Yuk ah baraya urang baiasakeun nabung heula jang meuli barang nu dipikabutuh. Ulah nepi ka nganjuk barangna tuluy urang nyicil ngalunasannana. Dari pada kitu mah mending nabung heula jang minuhan jumlah nominalna, karek we meser barangna. Ulah dibiasakeun ngahutang, komo dina jumlah gede mah. Mun meuli barang hasil nabung mah sok asa kabungahan sorangan nu ngan bisa dirasakeun ku diri sorangan. Sensasina teh beda jeung meuli barang nang nyicil atawa nang nanjuk. Pas si barang ditampi ku urang oge sensasi na teh beda, jadi moal sieun moal kagok dina make barang na ge. Tah, ku kituna yuk ah biasakeun nabung,tong ngabiasakeun ngahutang!", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8935", "text": "Jaman kuring keur SMP, kuring miluan kagiatan pelatihan kapamingpinan. Kagiatan dilaksanakeun di gunung. Agenda poé éta urang kudu hudang peuting-peuting pikeun ngalakukeun tugas urang. Tugasna nyaeta leumpang ka jalan bari mawa lilin, tapi lilinna ulah pareum. Nalika giliran kuring leumpang, jujur ​​kuring sieun pisan. Kuring leumpang lalaunan sieun ragrag jeung lesot. Pas di tengah jalan, kuring ujug-ujug batuk, jol lilin anu dicekel teh pareum. Kuring beuki sieun, kabeneran kuring nempo aya panitia anu keur nyenyekel senter, terus leumpang nuturkeun arah senter. Nalika kuring sumping, kuring ngahaja ningali aya anu bodas-bodas jeung buukna panjang ngagantung dina tangkal ageung sateuacan tempat kemah, kusabab sieun kuring lumpat gancang ka tempat kemah. Nalika kuring dugi, kuring leuwih kaget deui sabab nalika kuring nanya ka babaturan kuring, aranjeunna henteu ningali nanaon, ngan ukur kuring hungkul anu ningali.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2201", "text": "Pangalaman goréng anu mungkin anjeun alami saleresna kedah disyukuri sareng henteu kedah disesali, anjeun terang.\nSanajan kitu, naon rupa pangalaman goréng aya nu teu perlu diseselkeun? Pikeun éta, tingali lima di antarana di handap!\n1. Wajib ngalalana jeung jauh ti kolot\nJenis pangalaman anu anjeun teu kedah kuciwa nyaéta upami anjeun diwajibkeun hijrah sareng jauh ti kolot anjeun, naha éta kusabab kuliah atanapi padamelan. Nalika angkat ka luar negeri, tangtos aya waktos susah sareng sedih, malihan teu aya anu ngabantosan anjeun sabab jauh ti bumi. Tapi anjeun teu kedah kuciwa sabab pangalaman goréng nalika iinditan sabenerna bakal ngadewasakeun anjeun.\n2. Kanyeri hate nu patah\nPangalaman goréng sanés anu ogé henteu kedah dipikanyaah nyaéta nyeri haté anu patah. Sarerea anu geus kungsi aya dina hiji hubungan pasti geus kungsi haté maranéhanana patah, sarta éta memang resiko cinta. Tapi anjeun teu kedah kuciwa teuing jero, sabab sakali anjeun ngalaman patah hati anjeun terang yén ngajaga parasaan batur penting.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6370", "text": "Di Indonesia mah budaya dina segi pakean teh loba pisan pangaruhna. Misalna aya trend pakean nu anyar, modelna anyar, jeung kaluaran terbaru, pasti we loba nu meuli. Jeung deuih asal baju keur usum model naon, pasti we dibeuli da sieun tinggaleun model zamanna tea. Tah hal ieu nu ngajadikeun lobana baju nu sarua pas keur dipake teh. Teu jarang sok aya jalma anu pakean na sarua, padahal lain dulur, ngan keur kabeneran hungkul. Tah ieu teh kan efek tina ngikuti trend pakean tea, nya jadi batur ge loba nu berpikiran sarua. Jeung mun geus aya nu bajuna sarua teh sok ngarasa era, padahal mah biasa we teu kudu era.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9224", "text": "Harita kuring karek beres pisan dioprasi usus buntu. Ceuk dokter teh ulah dahar nanaon heula, engke lamun erek dahar kudu geus hitut heula. Ceuk dokter, eta teh tandana organ nu geus dioprasina geus sembuh. Ditungguan ku kuring teh sapopoe can hitut-hitut wae, pas wanci maghrib kuring kacida lapar pisan, jadi kuring ka kantin dibaturan ku mamah. Pas geus beres nyokot dahareun, kuring diuk di korsi anu pang ujungna, diuk duaan jeung mamah. Pas keur ngeunah dahar, jol weh kuring teh hitut, bari badag pisan deui hitutna teh. Era pisan harita mah, soalna kabeh jelema nu aya di kantin marelong ka kuring. Ku mamah dibejaan weh, hampura ceunah ieu putra abi karen beres dioprasi, ceuk mamah teh. Da kusabab lapar, kuring teh lanjut deui weh daharna, keun bae batur ningalikeun oge. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8526", "text": "Nalika nganggo baju anu sami sareng jalma sanes, anjeun tiasa ngarasa era sareng teu nyaman. Aranjeunna tiasa ngarasa saolah-olah sadayana panon aya dina aranjeunna sareng aranjeunna janten pusat perhatian anu teu dihoyongkeun. Ieu bisa nyieun hiji jalma ngarasa pisan rendah harga diri jeung teu percaya diri. Sababaraha urang tiasa ngaraos jengkel sabab panginten aranjeunna parantos nyeepkeun waktos sareng usaha pikeun milih pakean anu pas pikeun kasempetan eta, tapi teras sadar yen milikna sami sareng anu sanes. Ieu tiasa ngajantenkeun aranjeunna saolah-olah usahana henteu dihargaan. Batur bisa ngarasa pisan teu nyaman jeung teu nyaman sabab ngarasa saolah-olah make baju salah jeung batur. Ieu tiasa ngajantenkeun aranjeunna teu ngarareunah sareng ngaraos sapertos aya dina kaayaan anu henteu jalan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4437", "text": "Manusa sacara alami diciptakeun salaku mahluk anu mawa ajen karukunan. Bedana anu ngawujud boh fisik boh mental, satemenna kersa Alloh anu kudu dijadikeun potensi pikeun nyiptakeun kahirupan anu ngajungjung toleransi. Dina kahirupan sapopoe, budaya etnis jeung budaya religius, dibarengan ku padoman kahirupan berbangsa jeung bernegara, ngawariskeun kabiasaan jeung kagiatan urang. Di Indonésia, hubungan antaretnis jeung agama anu kaasup kana kategori SARA mindeng dianggap sensitip, rentan, ngabeledug, pinuh ku resiko jeung bahaya, pamahaman umum ngeunaan SARA teh teu bener jeung teu relevan pikeun ngembangkeun kamungkinan hirup babarengan di Indonesia. Kudu na mah urang salaku dulur sabangsa jeung satanah air bisa rukun. Tapi ku ayana politik SARA jad ngajieun urang boga jarak. Misalkeun lamun beda agama oge komo lamun di kampung kampung masih keneh osok di hereuykeun. Urang salaku umat beragama kuduna henteu kitu, tapi lamun aya n kitu wajib di lawan sih urang wajar da lamun ambek lamun geus di singgung soal agama.173.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8454", "text": "Omzet dagangan Sabar sapoe beuki ngurangan. Anu ngajual kulit pastel sareng bahan kadaharan kapaksa nampi kaayaan ieu kalayan anggun. Sanajan kitu, turunna omzet dagangan Sabar lain alatan harga luhur atawa isu resesi ekonomi. Usaha Sabar kaganggu ku gugunungan runtah anu ngan ukur sameter hareupeun kiosna, di Pasar Cileunyi, Kabupaten Bandung, Jawa Barat tepatna. Ceuk Sabar, waktu runtah ngagedean jeung numpuk pas hareupeun kiosna, harita palangganna kabur hiji-hiji. Malah, cenah, nu ngajual kulit pastel di Pasar Cileunyi mah langka. Konsumen anu sering datang ka lapakna ngaku ngarasa geuleuh sareng teu tahan bau anu seungit. Leuwih ti eta, jarak antara gunung sampah jeung lapak Sabar eta pisan caket.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9183", "text": "Dina hiji sore, dua budak kuring nu lalaki keur hog hag paloba-loba omong. Mimitina ku kuring diantepkeun we. Beuki lila diantepkeun teh kalah ka beuki maceuh. Tungtungna ku kuring disampeurkeun bari ditanya aya naon. Singhoreng masalah na teh pedah leungeun si bungsu kakeunaan ku ciduh lanceukna nu masih keneh sok ngemut jempolna. Ari si bungsu, manehna teh kacida pisan jijikna lamun aya ciduh batur nempel kana awak manehna jiga harita. Padahal lanceukna teu ngahaja, pas manehna ngaluarkeun jempol tina bahamna, jempol leungeun manehna nu baseuh teu ngahaja antel kana siku si bungsu. Atuh puguh ngamuk-ngamuk bari ceurik. Untungna lanceuk na bageur, manehna gura giru neangan tissue baseuh pikeun ngelap leungeun adina", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5241", "text": "Cara nyikapi kagagalan dina hirup urang. Nu kahiji nyaeta tong fokus kana kagagalan, fokus kana perbaikan. Biasana mun manggih kagagalan teh urang sok fokus kana keterpurukan, padahal kuduna urang ngajadikeun eta kagagalan sebagai motivasi jang leuwih maju kahareupna. Nu kadua nyaeta tong era ngakui kagagalan, sabab kagagalan teh memang realistis ayana. Dampakna oge karasa pisan ku urang kagagalan teh, cukup akui we teu kudu ngarasa mungkir. Ku ngakui kagagalan, secara tida langsung urang geus menerima jeung bahan evaluasi diri. Nu katilu nyaeta diajar tina kagagalan. Kagagalan teh kuduna dijadikeun batu loncatan jang ngagapai kasuksesan. Ku kituna, mun urang manggih kagagalan, rang kudu mempelajari hal eta supaya bisa nangtukeun langkah nu terbaik jang kahareupna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2151", "text": "Pupusna jalma anu pangdeukeutna, janten anggota kulawarga, babaturan atanapi inohong anu dihormat, sering nyéépkeun kasedih anu jero. Biasana ngarasa sedih lamun ninggalkeun nu dipikacinta. Tingkat kasedih nu kaalaman ku unggal jalma bisa béda-béda. Sababaraha urang ngarasa sedih nu lasts leuwih lila, malah bisa boga gejala sarupa depresi. Pikeun jalma anu parantos ngalaman déprési, kaayaan ieu tiasa ngajantenkeun kaayaanana langkung parah.\r\nSababaraha hal anu anjeun tiasa lakukeun pikeun cageur tina kasedih nyaéta: 1. Olah raga anu teratur, sapertos jalan-jalan, naék sapédah, ngiringan kelas olahraga, sareng seueur deui. Upami ragu ngeunaan milih jinis latihan anu kedah dilakukeun, konsultasi heula ka dokter anjeun. 2. Saré sahenteuna 7 nepi ka 8 jam unggal peuting. 3. Diajar kaahlian anyar, kayaning nyokot kelas masak, gabung klub buku, attending seminar di paguron komunitas lokal, jeung leuwih. 4. Telepon babaturan atawa dipikacinta nanya kumaha aranjeunna sarta nawiskeun pitulung. 5. Gabung grup husus nu ogé geus ngalaman leungitna hiji dipikacinta.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3383", "text": "Salah nyebut aran salah sahiji aran atawan landihan ngaran batur geus ilahar. Urang malah bisa ngalaman hiji kajadian basa Indung nelepon urang ku nyebutkeun ngaran sakabeh anggota kulawarga saméméh tungtungna nyebutkeun ngaran urang bener. Atawa aya nu ngahaja disebut ngaran piaraan?\n\nTong gelo acan, lain sabab beungeut urang siga piaraan. Kasalahan dina nelepon kaluar ngaran mindeng lumangsung, tapi ngaran salah teu diangkat haphazardly, tapi nuturkeun hiji pola.\n\nDina laporan dina jurnal Memory & Cognition, peneliti ngungkabkeun yén nalika jalma nyauran batur ku nami anu salah, aranjeunna condong nyauran jalma éta ku nami batur dina grup sosial anu sami. Atawa, maranéhna nelepon ku ngaran nu disada sarupa.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7327", "text": "Gaduh awak anu pendek lain kahoyong manehna, tapi loba jalmi anu nyalahkeun manehna lantaran pendek. Aya oge nu nepikeun nyalahkeun kolotna lantaran teu masihan dahareun anu sae janten manehna pendek. Lamun indit ka mamana pasti aya wae jalmi anu ningalikeun manehna lantaran pendek. Pernah hiji waktos manehna nuju bade nyandak dahareun di warung. Hanjakal eta luhur teuing, janten manehna teu tiasa nyandak, lainna dibantosan, aya hiji lalaki nu malah nyengseurikeun hungkul. Manehna langsung nyamperkeun eta lalaki sabari nanyakeun naon maksudna manehna nyengseurikeun batur anu nuju hese. Lalaki eta langsung era lantaran diseuseulan di hareupeun loba jalmi. Jalmi anu sanes langsung nitah lalaki eta menta hampura.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "9171", "text": "Isuk-isuk kuring geus tepi ka sakola. Ngahaja datang rada isuk teh meh bisa nyiapkeun heula bahan-bahan keur ngajar ka kelas. Barang sup ka ruang guru, kaambeu bau hanyir maladara, asa cicing di pasar lelang ikan. Geus moal salah deui pasti ruang guru anyar di pel, ngan ngepel na ku lap nu kotor, jadi hawa di ruang guru teh lain seger, kalah matak murel kana angen. Da kuring mah teu bisa di bobodo, ai aya nu amis saeutik weh, bakal langsung kaambeu. Gura-giru kuring neangan botol pewangi pakean nu ngahaja dibawa ti imah pikeun sasadiaan. Semprot-semprot pewangi disemprotkeun ka sakuriling meja kuring. Kakara kuring bisa ngarenghap deui teu meungpeukan deui irung.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5172", "text": "Salah sahiji hal ngabungahkeun nu paling abdi pikaresep nyaeta bisa mere mangpaat jang batur. Komo deui lamun merena kanu ngabutuhkeun pisan. Abdi seneng lamun nempo batur seneng, jadi sok hoyong we babagi teh. Abdi mikirna laun urang boga rezeki, alangkah baikna lamun dibagikeun oge ka batur supaya leuwih mangpaat jeung duanana. Mangpaat jang urang nu mere, mangpaat oge jang batur nu dibere. Ningali batur bisa nyukupan kabutuhanna ku pamere ti urang ge geus kacida bungah jeung nikmatna. Babalesna mah sok ti mana we, tong kudu ngaharepkeun teuing. Nu penting ikhlas, urang ge bakal meunang rezeki mangrupa kabungahan nu teu kakira.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2881", "text": "Aya loba cara pikeun nempo hantu jeung panon taranjang, tapi ieu ngan ditangtayungan pikeun jalma anu boga bal badag. Mun anjeun teu boga kawani atawa nyali, ulah coba nuturkeun cara ieu ningali hantu.\r\n1. Buka Panon Batin\r\nCara kahiji pikeun ningali hantu nyaéta muka panon batin anjeun. Hantu jeung manusa boga dunya béda. Éta sababna pikeun tiasa ningali aranjeunna, manusa kedah nganggo panon sanés, dina hal ieu, panon batin.\r\n2. Larapkeun Taneuh Kuburan kana kelopak panon\r\nCara satuluyna pikeun ningali hantu nyaéta nerapkeun kokotor kuburan kana kongkolak panon. Loba jalma ngaku geus kabuktian bisa nempo hantu ku rubbing kokotor kuburan dina kongkolak panon maranéhanana. Aranjeunna yakin yén taneuh di kuburan téh bisa ngondang arwah datang ngadeukeutan sarta nembongkeun bentuk hideous maranéhanana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5936", "text": "Nida teh trauma pisan mun ngadangu sora tokek, sabab basa bareto pernah leungeunna digegel tokek. Jadi, keur harita teh Nida ulin ka imah babaturan nana, pas rek mukakeun samak jang diuk, jol we aya tokek ti jero samak tuluy ngegel leungeun Nida. Tokekna badag pisan, buntutna panjag, awakna totol-totol beureum. Gigina seukeut pisan, nepi ka hese ngaleupaskeun leungeun Nida. Nida harita ngajoak pisan sabab reuwas dicapur sieun. Beunang soten diakalan ku bapak babaturan nana. Ti harita teh Nida sieun pisan mun ngadangu sora tokek, komo mun nepi ka nempo langsung mah, bakal kalap sabab sieuneun pisan sok nepi ka ngeper awakna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6859", "text": "Kadang-kadang urang teh sok poho nyimpen konci motor, hal ieu kajadian ka rerencangan abdi anu bade uih ti sakola. Manehna hilap nyimpen konci motor di mana. Tos dipilarian di tas, di saku baju, di kelas oge teu aya. Manehna bingung lantaran teu tiasa balik ka bumi upami tei aya konci motorna. Tungtungna mah kapaksa manehna naek angkot, motor na ditinggalkeun di sakola. Isukna manehna datang deui ka sakola ngangge angkot, manehna ngarep konci motor masih keneh aya di sakola sangkan manehna tiasa mawa balik eta motor lantaran sakedap deui libur. Singhoreng konci motor teh diamankeun ku satpam lantaran ngagantung keneh dina motor.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9230", "text": "Kuring kungsi pangalaman ngerakeun nu lumangsung nalika kuring di kelas lima SD. Waktu éta kuring datang ka sakolana awal pisan. Sakumaha biasa, papan tulis sok dieusi ku tulisan basmallah oge poe harita. Dina waktos éta kuring nyandak inisiatif pikeun ngarobih dinten sareng tanggal ditulis. Sanggeus bérés kuring ngobrol jeung sobat kuring bari nungguan bel hurung. Teras bel disada sareng urang pembukaan ku nyanghareupan papan tulis, dimana urang tiasa ningali naon anu ditulis dina papan tulis. Nalika bubuka lumangsung, babaturan kuring ningali hal anu aneh dina papan tulis, dimana eta ditulis 32 Maret. Kuring salaku nu nulis eta ngarasa éra sabab guru jeung babaturan sakelas sareuri, sabab bener teu aya tanggal 32 Maret dina kalender teh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8215", "text": "Kalobaan jalma teh teu cekap wani pikeun ngabantos jalma sejen nu ngalaman atanapi kalibet kacilakaan. Janten kunaon urang sieun nulungan jalma sejen nu kalibet kacilakaan?. Arurang sieun janten saksi hiji kacilakaan tur urang sieun tatu. Urang mineng ngadangu carita jalma-jalma nu janten saksi kacilakaan tur manehna tatu. Urang mineng ningali kacilakaan sapopoe nanging urang sieun nulunganna. Janten ayeuna urang kudu mulai paduli ka sasama teh, urang nulungan tur janten saksi jalma nu kalibet kacilakaan. Kasadaran pikeun nulungan sasama ieu teh tiasa nyieun masarakat nu beradab. Bayangkeun upami kabeh jalmi teh tiasa saling ngabantos. Ku kituna ulah sieun janten saksi kacilakaan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7289", "text": "Karek saminggu ka tukang abdi datang ka nikahan rerencangan abdi. Tapi ayeuna abdi meunang kabar yen manehna hamil opat bulan. Abdi sareng rerencangan reuwas ngadangu kabar eta, teu nyangka pisan manehna hamil sagancang eta. Padahal pas abdi datang ka nikahanna mah teu katingal manehna tos hamil lantaran awakna rada leutik. Anu anehna oge manehna teu era masihan kabar manehna hamil sateuacan nikah. Tapi untungna manehna daek tanggung jawab jeung nyandak langkah anu sae, nyaeta nikah. Manehna seeur tataros ka rerencangan abdi anu sanes kumaha carana supados lancar ngalahirkeunna. Manehna oge nyarios hoyong tobat ku cara ngurus budak eta janten budak anj sholeh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4383", "text": "Sababaraha waktu ka tukang, fans Wanna One ngalaman pasea alatan kalakuan sababaraha fans anu teu sopan. Kusabab antusiasme badag Wannabe (sakumaha fans Wanna One disebut), pihak acara ngahaja nyieun antrian dina dua garis. Hal ieu dilakukeun pikeun ngamungkinkeun para fans pikeun nyaksian idola na nunjukkeun sisi lucuna dina acara eta. Tapi teu disangka-sangka, perselisihan eta lumangsung ku fans di luar studio 'SNL Korea' anu ngantri. Salaku fans terang, penampilan WANNA ONE dina program komedi 'SNL Korea' memang jadi sorotan. loba fans anu henteu hoyong sono kana premiere langsung idola na di studio. Ieu disababkeun ku sababaraha fans anu teu sopan nyorot antrian jeung ngamimitian ngadamel garis katilu. Sangkan fans sejen anu geus antrian cukup lila dina jalur legal jadi mabek teu tarima. Sengketa ieu dipanaskeun nepi ka ngabalukarkeun gelut. Ieu malah ngajadikeun pulisi campur jeung anjog ka lokasi pikeun ngabereskeun kaayaan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6279", "text": "Hal nu paling hoream bagi sabagean besar jalma nyaeta meresihan lauk laut. Teuing kunaon lauk laut mah sok leuwih hanyir tibatan lauk nu diternak di danau atawa kolam. Bau hanyirna teh napel pisan dina leungeun, teu leungit meski geus disabunan ge. Lauk laut ge leuwih heuras pisan kulitna jeung leuwih leueur deuihan. Getih na teh sok leuwih loba, kadang mah jiga getih hewan ternak darat. Meureun nu mantak leuwih hanyir teh nyaeta leuwih lobana getih nu bijil. Bau hanyir na ge sok napel dina barang nu kakeunaan nana. Mantak, loba jalma nu hoream meresihan lauk laut teh da sabab bau hanyirna nu leuwih kacida bau daripada jenis lauk nu sejen.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7839", "text": "Di caket imah kuring aya hiji sakola anu lokasina aya di ceket tempat miceun runtah. Sanes tempat miceun runtah anu leutik, tapi bener-bener tempat miceun runtah anu disadiakeun ku pamarentah Kota Bandung. Di tempat ieu, loba tukang runtah anu miceun runtah tina gerobak anu dikumpulkeun ti sababaraha RT teras dikumpulkeun di hiji tempat jeung dipilihan deui anu masih keneh tiasa diolah janten barang anyar tina palastik, tapi sakitu oge angger we seeur keneh runtah di dinya. Aya tilu treuk runtah di dinta, matak teu heran lamun bau runtah nguar ka mamana, kaasup ka sakola anu aya di hareupeun sakola eta. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2956", "text": "Abdi kantos maca pangalaman jalma-jalma anu maénkeun peran \"dewa pembantu\" dina unggal kacilakaan lalu lintas. Maranéhanana kudu daék repot bolak balik ka pangadilan lamun maranehna jadi saksi. Teu jarang maranéhna ogé kudu bolos gawé. Patugas moal reimburse gaji atawa gajih dikurangan ku pausahaan alatan henteuna gawé atawa waragad transportasi ka kantor pulisi. Sanajan kitu, salian ti éta aya hal anu leuwih hésé. Dipénta pikeun jadi saksi jeung nyadiakeun informasi ngeunaan kajadian bisa jadi euweuh nanaon dibandingkeun jeung nyanghareupan resiko dilaporkeun ka pulisi atawa hal awon keur diteunggeul ku balaréa sabab jalma anu datang engké ka TKP dianggap. jadi palaku, padahal anu dituduh tadina ngan ukur niat hayang nulungan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2062", "text": "Pikeun éta anjeun kedah terang kumaha nyimpen artos anu tiasa dianggo kalayan gampang. Harepan, salian ti nyumponan kabutuhan sapopoe, cicilan lancar, aya deui duit anu bisa disimpen atawa dimodalan pikeun kahareup. Insya Alloh moal sampe ngahutang. Ku kituna, ieu tips pikeun nyimpen: 1. Ulah mawa duit loba teuing.. Pikeun mayar, éta mangrupakeun ide nu sae pikeun nyiapkeun duit dina dompét anjeun nurutkeun kabutuhan nu bakal dibeuli. Anjeun tiasa ngira-ngira jumlah dumasar kana daptar balanja anu dilakukeun. 2. Hindarkeun ngagunakeun kartu kiridit, ieu aya hubunganana sareng hemat sareng disiplin ngeunaan naon anu kedah dipésér. Lamun bade mayar ku kartu kiridit, biasana aya stigma dina pikiran nu boga duit taya. Samentara éta, kalayan kontan, anjeun ngan ukur tiasa nganggo saloba anu aya dina dompét anjeun. Nanging, anjeun tiasa ngalamar kapamilikan ATM kalayan saldo terbatas, khususna pikeun balanja. Ku cara éta, kasalametan dompet anjeun dijamin sareng tujuan nyimpen nalika balanja kahontal.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2159", "text": "Poé kaliwat kuring ngarasa kuciwa, ambek, sedih jeung depresi. Nalika kuring nyebarkeun CV seueur henteu aya jawaban, kuring hoyong damel kusabab artos terbatas pikeun kahirupan sapopoe sanaos kolot kuring daék ngirim artos tapi kuring éra nanya terus. Hiji hal anu nambahan tekanan mental nyaéta kuring capé teuing digawé mantuan sagala pagawéan di imah adina ti masak, beberesih imah nu jigana badag teuing 2 lanté, ngurus budak na kawas pagawéan. ibu rumah tangga umumna. Kusabab kuring ngalakukeun éta sorangan, kuring capé sareng capé, teu kedah nyebatkeun tekanan anu luar biasa anu nyababkeun kuring sering nganyenyeri fisik kuring, bahkan kuring sieun teuing bobo sareng ngamimitian énjing kalayan kagiatan anu sami. Kuring ngarasa euweuh gunana, kumaha atuh naon nu salah, cek kuring mah memang fase nenagan gawe mangrupakeun nu paling hese di antara nu lain.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2522", "text": "Panggung Saatos kejutan\n1. Pasihan anjeunna Hadiah Sederhana\nSaatos masihan kejutan ulang tahun anu unik, anjeun tiasa janten anu munggaran masihan kado anu sederhana, khusus, sareng émut, naon waé hadiahna, kami nyayogikeun saran-saran di handap ieu.\n2. Ngirim Kembang Birthday\nCukup masihan kembang ulang tahun khusus anu tiasa anjeun pasihan ka babaturan anjeun, kembang ieu mangrupikeun kembang anu bakal tiasa masihan kenangan bahagia sareng réréncangan anjeun.\n3. Bikeun Tiket Libur Husus\nMasihan tikét pakansi ka jalma anu anjeun jaga nyaéta umum, tapi anjeun ogé tiasa kaget babaturan anjeun sareng tiket ulang taun dina bentuk tiket liburan atanapi tiket maén ogé, anjeun terang. Contona, liburan ka tempat anu tiis kawas Dufan, atawa ka tempat ekslusif kawas restoran anu anjeunna resep, atawa tiket liburan di mall. Tong hilap ngajak batur supados suasana langkung seru.\n", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5524", "text": "Poe ieu teh poe ulang taun Ani nu ka dua puluh. Ani sapopoe cicing di kostan ngaepkeun sugan aya babaturan nana nu ulin. Tapi ti isuk nepi ka sore teh euweuh nu datang ka kostan nana. Ani ngarasa sedih pisan sabab euweuh nu ingeteun kana poe ulang taun na. Tuluy Ani kaluar we jang meuli jajanan itung-itung hadiah jang diri sorangan. Beres meuli jajanan, karek ge nepi ka kostan, Ani reuwas sabab aya nu gegedor kana panto kamarna. Pas dibuka, eh babaturan na daratang mawa kue ulang taun jeung bingkisan. Ani terharu pisan ka babaturan na, ternyata masih aya keneh nu inget kana poe ulang taun na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1430", "text": "Pasea jeung gelut di tempat umum mangrupakeun salah sahiji pangalaman era. Teu ngan saukur nyieun urang ngarasa era jeung nimbulkeun kesan anu butut di mata batur, tapi oge bisa nimbulkeun konsekuensi hukum jeung fisik anu serius. Tindakan eta bisa ngaruksak hubungan urang jeung batur, boh eta babaturan, kulawarga, atawa bisa wae orang asing nu ku urang panggihan di tempat umum. Salian eta pasea atawa gelut oge bisa nunjukkeun kurangna kemampuan jang ngendalikeun emosi jeung ngarengsekeun masalah ku cara nu positif jeung konstruktif. Ku sabab kitu penting jang urang kanggo ngahindar tina tindakan eta, carana bisa ku ngajak ngobrol sacara baik-baik, neangan solusi babarengan, jeung nyoba ngarengsekeun masalah ku cara anu damai.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6909", "text": "Rafathar Malik Ahmad, putra nomer hiji Raffi Ahmad sareng Nagita Slavina ayeuna tos bade gaduh adi lalaki. Pas mimiti pisan Nagita apal yen manehna hamil, Nagita langsung ceurik, anjeunna ceurik lantaran ku atoh, salila ieu Rafathar sok ngadua saatos sholat sangkan manehna tiasa dipasihan adi. Alhamdulillah ayeuna Rafathar bakal bener-bener gadauh adi. Asalna mah Nagita moal mastikeun manehna hamil lantaran sateuacanna kantos kaguguran. Ayeuna anjeunna ngarep pisan orok anu aya dina patuanganna tiasa sehat nepikeun ngalahirkeun. Pas anjeunna masihan kabar ka kulawargi sareng rerencangan dekeutna, Nagita teu ereun ceurik wae, anjeunna masih keneh aya rasa sieun kaguguran deui tapi atoh. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5232", "text": "Kamatian teh jadi salah sahiji perkara anu pasti di kahirupan manusia. Mun aya jalma anggota keluarga atawa nu deukeut maot, alangkah leuwih alusna urang ngadoakeun nu alus-alus jeung ngaikhlasken hal-hal nu berkaitan di antara nu maot supaya maotna teu aya beban. Nu maot teh bakal kabebanan ku hutangna salila di dunia, hutang barang, atanapi hutang jangji. Teu sakedik nu maot ninggalkeun hutangna. Ku kituna, mun aya nu maot gaduh hutang ka urang, ikhlaskeun we sadayana, dina nagihna ge tagih baik-baik ka kulawargana. Tong hila bari ngadoakeun supaya dicaangkeun kuburna. Sabab doa urang teh bakal berarti pisan jang nu maot. Ku kituna yuk ah mun aya nu maot, urang doakeun sing khusnul khotimah supaya ditampi iman islam sareng amal ibadahna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "9550", "text": "Yuli budak bungsu anu karek sakola SMP. Manehna hirup jeung bapana nu jadi pagawe di hiji pausahaan. Bapana jadi sumber panghasilan utama kulawargana, ku kituna Yuli gumantung pisan ka bapana. Hiji poe, bapana balik ka imah kalayan raray anu sedih tur surem. Yuli henteu nnyaho naon anu lumangsung, tapi manehna ngarasa aya anu salah. Bapana tuluy ngabejaan ka Yuli yen manehna kudu di PHK sabab pausahaan tempat manehna digawe ngalaman masalah finansial. Yuli teu bisa nahan cimata ngadenge beja eta. Manehna ngarasa hanjelu pisan sabab bapana kudu leungit pagawean. Bapana oge ngarasa sedih pisan sabab geus teu bisa deui nyadiakeun kahirupan anu hade pikeun kulawargana. Yuli kacida hariwangeunana. Manehna henteu apal kumaha carana ngabereskeun masalah ieu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "397", "text": "Tangtuna kudu apal oge cara mikanyaho nyorangan jeung kesepian teh naon wae. Nu kahiji tangtuna kudu ngarti heula masing-masing definisi makna kesepian jeung nyorangan teh naon. Ieu carana gampang bisa ngaliwatan Google atawa bisa ngadengekeun podcast ngeunaan topik ieu. Nu kadua, lamun enggeus ngarti masing-masing definisina, tinggal nanya ka diri sorangan naha leuwih hayang nyorangan, atawa malah embung jeung nyorangan ieu teh. Jawaban ieu engkena bisa nangtukeun kumaha kondisina ayeuna. Nu katilu, bisa nanya langsung ka nu geus boga pangalaman jeung ahli siga mentor ku cara miluan mentoring. Ku cara mentoring bakal leuwih ngarti mulai ti naon kesepian jeung nyorangan teh nepika cara-cara ngatasina.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2979", "text": "Taun 2016 abdi liburan sareng keluarga, samentawis nginep di tempat keluarga besar abdi di Jogja, suasanana nyaman, hawana seger, sareng tuangeunana oge nikmat. dina hiji mangsa diudag ku anjing samemeh kuring leumpang ngurilingan padumukan jeung dulur misan kuring nu geus kolot, kuring resep pisan nepi ka ngaliwat salah sahiji imah nu boga pakarangan nu kacida gedena, da enya aya anjing jeung gang. Misan kuring ngabejaan kuring yen aya anjing leutik nu lumpat pisan gancang ti geng anjing jeung adina mah ceuk. Entong lumpat, ngan lalaunan. Sanggeus diudag-udag ku anjing misan kuring, si misan ngagorowok kuring sabab kuring lumpat, ieu anjing leutik ngudag kami.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "226", "text": "Meuli barang oge kudu dibedakeun mana nu emang jang kabutuhan atawa ngan ukur dipikahayang hungkul. Cara-carana teh, nu kahiji jieun heula catetan jang ngabedakeun antara kahayang jeung kabutuhan ngameh leuwih babari jang dibaca jeung diinget. Jadi pas ningali catetan bisa mikir dua kali pas keur hayang meuli barang nu dipikahayang, sabab kabutuhan kudu diutamakeun heula. Nu kadua, teu langsung meuli barang pas harita keneh. Biasana ieu kajadian lamun keur ningali toko online. Dicoba jang nahan maksimal saminggu jang mikirkeun naha barang nu rek dibeuli teh butuh, jeung naha barang nu rek dibeuli teh aya mangpaat jang dibeuli make duit tabungan. Nu terakhir meuli barangna make duit cash, jadi meuli sasuai jeung duit anu dicepeng.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2163", "text": "Nulis mangrupa kahayang pikeun babagi, teu nyangka dipuji atawa menonjol. Saleresna upami kaluar dina media bakal janten sumber kareueus sareng pangakuan, tapi persainganna ogé sengit, kualitas konten dianggap, jsb, kecuali éta média urang sorangan atanapi istri editor, kabogoh atanapi mantan. Tingali kana perjalanan William Cuthbert Faulkner, novelis Amérika sareng panulis carita pondok. Anjeunna dianggap salah sahiji panulis hebat abad ka-20. Salian ti éta, dina taun 1949 Faulkner ogé meunang Hadiah Nobel Sastra. Sapanjang hirupna anjeunna ngalaman gagal sanggeus gagal. Nyatana anjeunna nyebat dirina salaku pujangga anu gagal. Salaku budak leutik anjeunna diusir sakola kusabab anjeunna sering ngalamun di kelas sareng henteu tiasa ngajawab patarosan sederhana anu ditanyakeun ku guruna. Nalika rumaja anjeunna ditinggalkeun ku jalma anu dipikacinta kumargi anjeunna dianggap teu stabil. Faulkner ogé ditolak nalika anjeunna ngalamar Angkatan Udara Amérika Serikat kusabab anjeunna leutik sareng pondok. Sanajan kitu, sagala kagagalan na teu nyieun Faulkner nyerah, anjeunna pernah di sababaraha kursus universitas, diterbitkeun puisi jeung gambar dina koran kampus, nepi ka ahirna anjeunna bisa nyebarkeun karya nu ngajadikeun anjeunna jadi panulis kawentar.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2975", "text": "Kajadian ieu kira-kira 1 taun katukang, harita kuring ngarencanakeun nguriling ka hiji kampung di dataran luhur. Rute harita kira-kira 56 km bolak-balik, jangkungna wewengkon puncakna kira-kira 470 méter, jeung total nanjakna kira-kira 600 méter. The test ride 5km munggaran némbongkeun yén kaayaan fisik kuring dina waktu éta cukup prima, kalawan speed cruising maksimum dina jalan datar sabudeureun 26 km / jam, hiji cadence idéal 90 rpm sarta diperkirakeun kakuatan kaluaran sustained sabudeureun 170 watt. Teras kuring dugi ka tanjakan anu munggaran sareng éta ogé tanjakan anu paling beurat, tanjakanna nyaéta ~ 2,3 km sareng lampingna 5%, dina tanjakan éta kuring ngan ukur tiasa ngajaga 10km/jam. Sanggeus kira-kira satengah mil nanjak kuring nempo anjing neuteup jeung ngagorowok ka kuring ti téras imah di tungtung tikungan, kuring boga rarasaan goréng ngeunaan anjing, tapi kusabab kuring hayang pisan naek ka pasir kuring terus indit. nepi na nyobian ulah kontak panon jeung anjing teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8486", "text": "Seueur jalma anu ngarasa geuleuh tuang jalanan sanaos henteu aya anu ngarasa geuleuh nalika tuang jalanan. Seueur kios jalanan nawiskeun tuangeun anu lezat sareng kualitas dina harga anu murah. Dahar di warung jalanan mangrupa bagian tina budaya jeung tradisi lokal, sarta nawarkeun kasempetan pikeun nyobaan kadaharan anyar jeung otentik. Nyobian tuang di warung jalan tiasa masihan pangalaman anyar sareng muka pikiran urang kana budaya sareng tuangeun anu beda. Nurut kana standar kabersihan sareng kasalametan pangan anu sae, sapertos mastikeun yen tuangeun dipotong sareng disimpen leres, tiasa ngabantosan ngagentos rasa geuleuh. Ku museurkeun pikiran urang kana pangalaman positip sareng mastikeun kabersihan anu hade sareng praktek tuang anu aman, urang tiasa ngabantosan ngaleungitkeun rasa jijik sareng ngalegaan pangalaman tuangeun urang.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9545", "text": "Isuk-isuk Bagas hudang bari sumringah. Manehna ngarasa bagja anu luar biasa, sabab poe ieu teh poe pernikahan manehna jeung kakasihna, Dewi. Bagas teu sabar pendak sareng Dewi sareng janten suamina salawasna. Beres mandi jeung dangdan, Bagas siap-siap ka gereja. Anjeunna bagja pisan, sabab dinten ieu mangrupikeun dinten anu paling penting dina hirupna. Di jalan ka gareja, manehna terus nginget-nginget waktu mimiti patepang jeung Dewi terus kumaha parasaan menehna beuki kuat unggal poena. Bagas anjog ka gareja, didinya dipapag ku kulawarga jeung babaturanana anu keur nungguan di dinya. Manehna ngarasa sukur pisan sabab dina poe ieu, dulur-dulur anu dipikanyaahna bisa hadir jeung nyaksian eta pernikahan. Moal lami deui gareja pinuh ku sora lagu kawinan merdu. Bagas ngarasa bagja jeung terharu pisan, sabab nyaho yen poe ieu teh poe pangbagjana dina hirupna. Geus waktuna Bagas jeung Dewi ngucapkeun ikrar sucina. Maranehna jangji pikeun satia, nyaah, jeung silih asuh salilana. Bagas ngarasa bungah pisan waktu ngucapkeun jangji suci, sabab manehna nyaho yen Dewi teh jalma nu pangpentingna dina hirupna. Sanggeus nyieun sumpah suci, Bagas jeung Dewi resmi jadi salaki jeung pamajikan. Maranehna saling masihan ciuman intim anu mangrupikeun simbol cinta anu tulus sareng langgeng. Dina poe kawinna, Bagas ngarasa bagja pisan jeung syukur kana sagala rupa nu geus kajadian dina hirupna. Anjeunna terang yen manehna parantos mendakan pasangan hirup anu pas, sareng anjeunna bakal salawasna nyaah ka Dewi.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2130", "text": "Gaduh budak mangrupakeun salah sahiji anugrah nu teu dipohara. Abdi teh kalebet telat nikah, punten sanes ukuran Indonesia. Meureun kulantaran gaya hirup jeung pola pikir kuring harita kuring teu ngarasa hayang gancang kawin komo deui boga budak. Tapi nalika kuring tungtungna mutuskeun pikeun nikah jeung kirang ti sataun saterusna anak kuring lahir. Éta mangrupikeun pangalaman spiritual anu sesah dijelaskeun. Sagala rupa rasa campur jadi hiji. Antara teu percaya, hariwang, bungah, jeung rupa-rupa rasa. Tapi laun-laun, rasa bagja nu paling karasa. Sareng aya rasa yén kuring ngarasa lengkep salaku lalaki \"sabab kuring parantos gaduh murangkalih (tanpa niat pikeun ngaremehkeun jalma anu teu tiasa gaduh budak atanapi milih henteu gaduh budak) 20 bulan saatosna, kuring masih ngarasa bagja kusabab kuring mutuskeun gaduh budak. ..", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1110", "text": "Harita keur ulin di pameran, biasana di pameran loba kaulinan siga ombak banyu, jeung sajabana. Loba oge lotre-lotre siga nembak make karet nepikeun objekna murag kabehanana. Hadihana oge rupa-rupa, tapi lolobana mah hadiahna teh Smartphone anyar ngarah jadi daya tarik nu keur ka pameran. Harita urang meunang lotre eta, tuluy dibikeun smartphonena teh. Tapi pas indit di tempat lotre eta urang ngarasa aya nu nuturkeun padahal masih di tempat rame. Pas keur di parkiran, aya tiluan nu nyampeurkeun yen manehanana rek nukeurkeun hadiah lotre tadi ku duit. Sabab urang sieun mun teu dienyakeun, jadina urang ngarelakeun hadiah eta jang ditukeur ku sajumlah duit nu nominalna mah teu sabaraha dibandingkeun jeung smartphone.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "687", "text": "Batur mah nu keur tepang taun teh kudu ngatraktir, tapi beda jeung urang mah anu kalakah ditraktir ku kenalan di Instagram tapi bageur pisan jelemana. Awalna mah nanyaan resep kadaharan naon, tuluy resep warna naon, nepikeun ka ditanya ukuran sapatu. Geus kitu manehna teh jol ngajak ka tempat dahar anu saacanna urang can pernah kadinya, bari manehna teh mere kado. Mimitina mah reuwas diajak ka tempat dahar anu mahal, tuluy pas dibuka kadona ge leuwih reuwas deui. Pas disobekeun kertas kadona tuluy digunting, pek teh aya kotak nu lumayan rada gede. Pas dibuka kotak eta, reuwas geuningan eusina sapatu nu dipikahayang ku urang. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1125", "text": "Pas keur meunang serangan panik, urang ngahubungi babaturan nu bisa mantuan urang, akhirna berhasil ngahubungi babaturan nu apal kumaha carana mengatasi serangan panik. Manehna mere urang sababaraha teknik pernapasan jeung teknik pemusatan perhatian, sarta manutan urang jang ngalihkeun pikiran urang ti pikiran nu negatif. Lila kalilaan, serangan panik urang mimiti eureun jeung urang mimiti ngarasa leuwih tenang. Sanajan urang masih ngarasa hariwang, urang ngarasa yen urang bisa mengatasi perasaan eta. Urang sadar yen serangan panik mangrupakeun hal nu pikasieuneun, tapi urang oge apal yen urang kudu paham kana gejala jeung neangan bantuan pas urang ngarasa kaancam atawa kasusahan pas ngendalikeunna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8922", "text": "Nalika kuring umur lima taun kuring ulin di taman caket bumi. Waktu harita kuring nempo aya ucing keur dahar deukeut tong sampah, ku rasa panasaran kuring nyampeurkeun jeung nyoba nyepeng. Tapi bari nyoba nyabak awakna, eta ucing teh ujug-ujug cakar jeung ngegel leungeun kuring. Getih ngocor tina panangan kuring, nyeri pisan nalika dicakar sareng digigit dina waktos anu sami, sareng kusabab kuring ngarasa nyeri kuring ceurik ngagoak. Bapa lumpat ka kuring sarta langsung mawa ka klinik pikeun dirawat. Ti saprak harita kuring sieun deukeut-deukeut jeung ucing. Upami ningali ti kajauhan mah kuring teu kunanaon, tapi upami anjeunna ngadeketan, kuring bakal lumpat ngajauhan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "789", "text": "Mun urang nyieun karya boh eta buku atawa jurnal tuluy aya nu ngaplagiasi, penting nu kudu urang lakukeun mimiti nyaeta ngakonfirmasi heula mun karya eta bener-bener diplagiasi. Jadi urang tinggal ngahubungi heula pihak terkait siga penulis atawa penerbitna nu geus ngaplagiasi karya urang. Tuluy penting oge urang ngahubungi lembaga nu bersangkutan mun plagiarisme ieu dilakukeunna ku lembaga atawa universitas, bisa dihubungi staf atawa perwakilan ti lembaga eta jang mikanyaho prosedur naon nu bener jang ngalaporkeun plagiarisme. Kahareupna urang oge kudu nyokot langkah nu bener jang nyegah plagiarisme nyaeta urang ulah poho jang melindungi karya urang ku ngapublikasikeunna di tempat anu aman.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "332", "text": "Keur leutik urang sok parebut anyang-anyangan jeung lanceuk. Pernah hiji waktu mah keur di tengah imah, dina kaayaan peuting jeung lantai anu tiis, urang parebut mainan jimbot jeung lanceuk urang. Nepikeun ka indung urang datang, tuluy ngababetkeun jimbot eta kana keramik nepikeun ka jimbotna geus teu bisa dipake sabab paburencay kabeh parotong. Urang didinya ceurik sabab ku reuwas, tuluy urang nyokot samping jang paranti sholat ku urang diamparkeun dina keramik nu tadi. Googleran bari tetep ceurik, posisi suku ngarengkol nepikeun tuurna deukeut jeung dada. Urang dina jero hate mah ngambek tapi teu bisa ngalawan ka indung, kahayang urang mah indung jadi penengah lamun anak-anakna keur galelut teh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2050", "text": "Konci utama nyaéta usaha sareng strategi. Sarta tangtu nu peryogi tips kanggo SBMPTN. Seuseueurna réréncangan anu kagagalan di SBMPTN mah kusabab teu stratégi anu leres, da meureun salami SMA teu langkung nyiapkeun SBMPTN soal-soalna langkung hese tibatan Ujian Nasional. Kabeneran kuring janten Olimpiade, janten kuring biasa ngalakukeun masalah matematika anu rada sesah (sareng kuring resep ngalakukeunana). Ieu mangrupikeun kauntungan pikeun kuring, janten nalika kuring ngan ukur gaduh 2 minggu pikeun nyiapkeun diri, kuring tiasa gampang nyusul. Tungtungna, sagalana datang deui sorangan. Pikeun suksés, anjeun leres-leres kedah nyobian, bari ngadoakeun yén rejeki bakal datang ka anjeun. Sabab lamun sial, mangka anjeun moal bisa malahmah jang datang wae. Poho ku kerja keras mun anjeun sial anjeun bisa wae gering dina poé tés jeung teu bisa nyokot test jadi sagala usaha anjeun sia sia, janten kudu ingget ka kasehatan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2596", "text": "Anjeun kantos diperlakukeun sacara teu adil ngan kusabab anjeun henteu pikaresepeun sapertos réréncangan anjeun? Tangtos anjeun, pikeun anu nyarios lalaki ngan ukur ningali fisik atanapi penampilanna, sabalikna awéwé ogé sami.\nUlah rék sudut awéwé ukur ngajawab patarosan dumasar kana pangalaman pribadi. Waktu keur SMP, puber kuring rada beurat sabab muncul jerawat, baheula mah informasi ngeunaan skincare teu sae siga ayeuna, jadi pengobatan jerawat mah geus teu terkendali. Mindeng diperlakukan béda kusabab penampilan, kayaning teu diajak ngobrol, atawa malire obrolan kuring, ngagunakeun kecap jeung nada nu kuat. Ngan teu maké, jaman SMP harita. Pangajaran tina hal-hal kitu, ulah gampang kagoda ku kecap manis batur, tanpa nyaho sifatna, sabab nyatana urang mah mahluk anu nganilai rupa luar hiji jalma tanpa disadari.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8448", "text": "Ita teh ahli mental atawa sok oge disebut psikolog. Salila kuliah anjeunna kteh kantos ngalaman hal anu teu ngagem tur pigeuleuhen. Ieu kajadian nalika anjeunna praktek di rumah sakit jiwa. Di rumah sakit jiwa ieu anjeunna teh ngalakukeun komunikasi sareng seueur pasien. Tapi aya hiji pasien anu bener-bener teu bisa nyarios. Tong cacarita, ngan ngalieuk ge, manehna teu daekeun. Nalika Ita ngadeukeutan pasien ieu aya kajadian anu teu disangka-sangka. Pasen ieu ngadadak nyiduh kana beungeut Ita. Ita nu reuwas, langsung ngagorowok tuluy lumpat ngajauhan pasen. Manehna ngarasa geuleuh jeung ambek ka si pasien. Pasien ukur bisa seuri bari nempo Ita ngagorowok.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "610", "text": "Basa keur leutik urang resep ulin jeung babaturan. Urang kaasup jelema di kulawarga anu pas-pasan jadi lamun hayang nanaon teh kudu ceurik heula, tapi teu langsung dibere poe eta oge, biasana lamun geus sabulan kakara aya. Poe harita urang ulin kawas biasana jeung nu sejen, tapi nu sejen mah naraek kana sapedah, ari urang mah lulumpatan bari ngudag-ngudag maranehna nu naek kana sapedah. Meureunan ku sabab bapa urang karunyaeun ka urang, pas beurangna urang diajak ka bengkel sapedah jang meuli sapedah anu urut tapi masih keneh bisa dipake. Urang rada reuwas sakaligus bungah sabab kakara ayeuna urang dibere hadiah ku bapa sorangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "248", "text": "Aya hiji barang nu wajib pisan dipiboga komo jang jelema nu pohoan, sabab alat ieu bisa ngalacak barang anu leungit. Salah sahiji TikToker pernah mere nyaho cara ngagunakeunna. Yolenta Joanna ngenalkeun hiji alat pelacak nu bisa ngabantuan ngameh teu kaleungitan barang. Bentukna teh leutik. Komo deui bisa nyimpen barang ieu di dompet atawa digantungkeun dina konci. Ngaranna teh Baseus Smart. Alat ieu mangrupakeun alat pelacak nu bisa ngalacak barang anu leungit cukup ku ngagunakeun Smartphone. Teu ngan eta hungkul, alat ieu oge bisa digunakeun dina radius 10 meter, jadi lamun kaleungitan barang bisa langsung diteangan. Alat ieu oge bakal ngaluarkeun sora nu bisa mantuan neangan barang nu leungit.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5114", "text": "Tamat sakola SMA, abdi nuluykeun daftar ka perguruan tinggi negeri. Abdi nyobian daftar ka sababaraha universitas, salah sahijina nyaeta UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Abdi nyandak jalur UMPTKIN, nu tesna teh di kampus UIN. Abdi milih kampus ieu sabab pun raka ge kuliah didieu, janten sahenteuna tos terang saalit mah lingkunganna jiga kumaha. Tah, hiji poe abdi tes UMPTKIN di kampusna. Alhamdulillah sagalana lancar, ngan abdi datangna rada telat hungkul. Hasil tesna kaluar sabulan kemudian. Alhamdulillah pas dibuka websitena teh abdi katampi di pilihan kahiji nyaeta program studi Manajemen Keuangan Syariah. Duh Gusti abdi meuni atoh pisan, sagala panasaran jeung nu ditunggu teh kajawab oge. Alhamdulillah, abdi teu bisa eureun ngucap syukur ka nu Maha Suci. Teu kakira senengna, teu bisa kagambar ku kata-kata.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6835", "text": "Basa kuliah semester hiji abdi periyogi pisan hape anu tiasa dipake kanggo ngerjakeun tugas di hape. Lantaran seeur tugas anu nganggo hape. Abdi mutuskeun kanggo meser hape anyar padahal hape sateuacanna oge masih keneh sae, tiasa dipake. Abdi meser hape oppo di Ujung Berung. Hape baheula na dipasihan ka pun bapa anu oge nuju periyogi hape nayar lantaran hape na nuju ruksak. Abdi atoh pisan tiasa ngangge hape anyar lantaran hape lami abdi oge tiasa janten mangpaat kanggo nu sanes na. Ieu hape anu pang lami na dipake ku abdi, nepi keun tilu tahun, teu pernah diserpis jeung masih keneh sae.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "727", "text": "Mun geus apal disalingkuhan mah pastina tara ngomong ngaliwatan chat media sosial, biasana mah langsung ngajak panggih jeung ngobrol. Ngameh permasalahanna clear euweuh nu disumput-sumputkeun. Mun bisa mah milih tempatna nu teu rame teuing, ngarah mun ambek oge moal kadenge ku batur. Tuluy siapkeun kecap-kecap nu rek diomongkeunana, ngameh teu nganyeuri hatekeun kabogoh, sanajan urang nyeuri hate lantaran manehanana salingkuh. Mun ambek urang pantang ngagebug atawa neunggeul kabogoh, keur mah manehna awewe. Mindengna mah dilampiaskeun kana barang. Sok ngagebrag meja, mun teu meja paling ngalungkeun konci motor kana taneuh. Geus kitu mah biasana hate teh adem deui, da meureun energi negatif mah geus kalampiaskeun kana barang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7874", "text": "Pedah aya hiji jalmi anu kasohor dina Instagram atawa disebut selebgram anu nembongkeun cara nganggo tiung anu sae, manehna oge nyarankeun hiji tiung anu sae nyaeta pashmina plisket anu tiasa dianggo paragi acara formal jeung acara naon wae. Ti ditu janten seeur jalmi anu nganggo tiung pashmina plisket eta. Komo pas lebaran, abdi ningal seeur pisan jalmi anu nganggo pashmina plisket. Pas abdi nuju solat Id oge hampir di sadaya shaf sholat aya awewe nu nganggo pashmina plisket. Abdi anu nganggo pashmina plisket oge janten rada era lantaran tiung nu abdi anggo teh siga pasaran pisan. Saanggeus eta, abdi teu daek deui meser pashmina plisket. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8222", "text": "Bencana alam tiasa mere trauma ka saha wae teu iwal budak leutik. Komo budak leutik teh tiasa janten nu pang terdampakna tina kajadian bencana alam, budak janten sieun, stres, tur hanjelu. Pikeun ngubaran rasa kasieun sareng kahanjeluan di budak leutik teh tiasa ngalakukeun babaraha cara ieu. Tenangkeun budak, bencana alam tiasa nyieun panik kabeh jalma kaasup budak. Budak leuwih gampil ka serang panik kusabab teu ngartos nanaon. Jelaskeun tur jentrekun ka budak naon kaayaan nu saleresna janten budak teh ngartos. Sayogikeun waktos pikeun berinteraksi atanapi komunikasi sareng budak. Antepkeun budak nyarita naon nu dirasakeun ku manehna. Teras bere dukungan atanapi motivasi pikeun ngabangkitkeun sumanget budak.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2947", "text": "Saur abdi, jalmi anu nginget-nginget dosana sareng tobat kana lampahna langkung saé tibatan da'wah anu mopohokeun dosana sareng henteu tobat. Sabab duanana jelema dosa. Di antara jalma-jalma anu ngalakukeun dosa anu paling hadé nyaéta jalma anu tobat, sanaos ageung dosana. Tobat mangrupikeun konci. Sanajan kitu, tobat téh lain perkara gampang. Tobat nyaéta kecap pagawéan anu ngabalikeun kabiasaan, ngabalikeun kabiasaan hirup, malah ngabalikeun persepsi jalma ngeunaan diri urang. Teu jarang, aya jalma anu katingali sinis malah nutup panto. Al-insanu mahal al-khatha' wa annisyan. Manusa salah tempat jeung poho. Euweuh nu infallible iwal ti sababaraha jalma pilihan anu narima wahyu-Na. Ku alatan éta, teu telat balik ka imah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5970", "text": "Tilu hal nu bisa dilakukeun jang nyegah terjadina kasus bullying. Nu kahiji nyaeta jalin pertemanan saloba mungkin supaya bisa nambah relasi jeung babaturan anu sehat, sabab biasana nu sok dibully teh nu katingali kuuleun atawa sok sosoranganan. Nu kadua nyaeta tunjukkeun prestasi, sabab teu kabeh jalma boga prestasi, jadi tunjukkeun ka batur supaya batur aya rasa segan atawa rasa ikir dua kali rek ngabully teh. Nu katilu nyaeta tingkatkeun percaya diri, ulah sieun ku batur komo mun dipikangewa ku sabab nu teu puguh mah. Keun we, nu penting urang geus perca diri, ke ge nu rek ngabully bakal mikir ulang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8492", "text": "Jalma biasana ngarasa isin lamun calana na ujug-ujug robek sabab hariwang kumaha bakal katingali ku batur. Calana soek bisa jadi tanda kabodoan atawa teu merhatikeun penampilan, sarta bisa nyieun jalma ngarasa kawas keur diawaskeun atawa dikritik ku batur. Eta oge tiasa mangaruhan kapercayaan diri hiji jalma sareng ngajantenkeun aranjeunna henteu ngarareunah sareng tetep dina kaayaan eta. Jalma ngarasa era lamun calana ujug-ujug robek sabab kaayaan ngerakeun jeung ngarasa katempo ku batur. Ieu bisa nyieun jalma ngarasa kacau jeung terpaku kana kaayaan, sarta mangaruhan kapercayaan diri maranehanana. Seuseueurna jalma gaduh harepan pikeun katingali sae sareng profesional dina kaayaan sapopo, sareng nyeepkeun sapasang calana tiasa ngajantenkeun aranjeunna henteu minuhan ekspektasi ieu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5127", "text": "Mulai tahun ayeuna mah, sagala rupa ujian teh dilaksanakeun na basis komputer. Jadi, nu tadina ujianna ngangge kertas, ayeuna mah dialihkeun kana komputer. Saruangan ujian diisi ku maksimal dua puluh siswa, disasuaikeun jeung jumlah komputer. Para siswa calikna saurang-saurang mayunan komputer. Diantara siswa biasana aya sekat semet meja, supaya teu bisa ningali komputer nu di sisi kenca katuhuna. Siswa teu meunang mawa buku atawa alat tulis salian ti balpoin. Balpoin ge gunana jang ngeusian tanda tangan hungkul. Di payuneun para siswa biasana aya dua urang pengawas jeung saurang teknisi komputer. Siswa na oge dicampur, teu sakelas hungkul. Janten saruangan teh aya dugi ka tilu kelasna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6997", "text": "Rerencangan dekeut abdi basa SD tos saminggon ieu cicing di rumah sakit lantaran manehna kedah diopname. Abdi pas mimiti ngadangu kabarna langsung datang ka rumah sakit sabari ngabantosan ngajagi lantaran kulawargina tos gentosan ngajagi ti sabulan kamari. Abdi mondok dua dinten di rumah sakit sabari ngadu'a supados anjeunna geura cageur deui. Ku lantaran abdi oge gaduh sababaraha urusan, abdi teu tiasa mondok lami, abdi bulak balik ka rumah sakit pikeun ningal kondisi anjeunna. Poe ieu abdi mutuskeun kanggo mondok deui lantaran kondisi na beuki parah, abdi maturan anjeunna nepi keun tengah wengi, nepi dokterna beja yen manehna tos teu aya, abdi sedih pisan tapi tos ikhlas anjeunna ninggalkeun urang sadayana.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "1351", "text": "Paling teu nyaman mun kudu ka toilet sakola. Lantaran mindengna toilet sakolaan mah jorok, mulai ti loba coretan di tembok jeung panto, oge cai nu dina bakna sok kiruh jeung warnana oge geus pudar alias coklat atawa hideung. Bauna oge menyengat, bau pesing jeung bau tinu cai bak geus siga bau sato anu maot. Tapi mun keur kahampangan hayang ngomong, hayang teu hayang kudu kadinya, sabari nutupan irung ngameh teu kaangseu. Geus beres mah buru-buru deui kaluar lantaran teu nyaman. Sakapeung mah mawa cai mineral ka toilet sakolaan teh, ngameh kajaga kaberesihanna dari pada make anu dina bak toilet mah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2848", "text": "Santai waé. Waktosna abdi wanoja anu kaleresan nuju nyalira di kios, kaleresan anu sanesna ditutup. Dua lalaki pikasieuneun, kurus, bau roko jeung alkohol, ménta kuring 200 rébu. Alesanana nyaéta pikeun kaamanan listrik supados tetep hurung. Kuring dipencet kana témbok kusabab seueur patarosan sareng kacurigaan. Kuring waspada jeung nempo leungeun maranéhna hariwang lamun maranéhna nyokot péso tina handapeun baju maranéhanana. Tungtungna kuring nyerah sareng masihan artos. Padahal beurang mah teu hayang leungit nyawa sabab lawan 2 lalaki. Sumawona, ngan bapa kuring anu pinter karate, kuring henteu pisan.\nIsukna kuring googling kaayaan di wewengkon tempat kuring kungsi digawé anyar. Jeung tétéla loba penjahat narkoba (utamana methamphetamine) geus ditahan ti wewengkon ieu.\nJeung jreng2x... kuring nempo salah sahiji \"preman\" anu ngagorowok ka kuring di kios, jelas manehna teh mantan narapidana, kuring yakin manehna geus asup jeung kaluar penjara.\nKuring henteu terang naon anu bakal kajadian upami kuring gagabah. Maksudna henteu panik sareng tenang, aranjeunna ngan ukur peryogi tuangeun sareng obat-obatan, tangtosna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6286", "text": "Imah Rina teh ayana di gigireun kandang sapi nu dikelola ku pamarentah daerah. Tah, kandang sapina teh sok bau pisan taina. Jeung deuih sok loba laleur nu euntreup di sakitaran nana. Malahan mah laleur na teh nep ka imah Rina. Leleurna oge nu badag warna hejo, ukuranna teh jiga kamarang. Mun sakalina euntreup, pasti we langsung ngendog dina dahareun nu dieuntreupan nana. Mun euweuh dahareun ge angger we laleur na teh sok asup ka jero imah, nyaingan reungit. Mun beurang aya laleur, mun peuting aya reungit. Reungit na oge deuihan sok baradag jiga reungit leuweung. Sakali ngeuntreup teh sok nyoco mantak ateul.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6258", "text": "Tengah poe ereng-erengan, Tuti masih nungguan bus di terminal Cicaheum. Geus dua jam nungguan busna acan aya datang wae. Geus jajan ganjel beuteung, tuluy Tuti hayang ka WC. Tuluy nanyakeun ka penaga warung di mana u aya WC. Dituduhkeun na teh ka nu di tukangeun terminal, di tempat ngetem elf. Tuti kaditu we sosoranganan da euweuh batur. Pas asup ka WC na teh bau pisan, nya kumuh deuih. WC na teh umum, teu dipisah lalaki jeung awewe. Daek teu daek Tuti nya asup we da geus teu kuat. Bari di jero na ge poek pisan jeung heurin pisan tempatna. Meuni barau sagala kaambeu. Tuti kesel pisan sabab asa ku jorok ningalina, nya mayar deuihan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2963", "text": "Alghiffari nyatakeun yén kedahna aya pengarahan téknis khusus ti jaksa atanapi panaséhat hukum ka saksi sateuacan sidang. Salami éta sanés pengarahan ngeunaan substansi jawaban, sacara hukum saksi kedah disayogikeun persiapan anu cekap pikeun ngajalanan pamariksaan anu tiasa salami sababaraha jam. Semendawai sareng Aqsa sapuk yén nalika Majelis Hakim henteu masihan peringatan ngeunaan patarosan ka saksi sanés hartosna patarosan éta leres, sabab Hakim tiasa lalai dina ngartos hak-hak saksi atanapi henteu sadar yén hak-hak saksi. saksi geus dilanggar. Ku alatan éta, unggal pihak anu nampilkeun saksi ogé tanggung jawab pikeun nangtayungan saksi maranéhanana ku cara ngirimkeun bantahan ka Majelis Hakim lamun aya patarosan anu dirasakeun snare atawa nempatkeun tekanan ka saksi maranéhanana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2463", "text": "Hirup sareng panyakit anu teu katingali atanapi panyakit anu teu katingali langkung rumit tibatan anu dibayangkeun ku jalma. nu siga sinis, skeptisism, tuduhan bohong, disebut puguh, sarta overacting mangrupakeun respon biasa kuring narima iraha wae kuring ngawadul ngeunaan gering kuring, saukur kusabab \"Kuring teu kasampak gering\". Panyakit anu teu katingali sorangan mangrupikeun istilah umum anu dianggo pikeun ngarujuk kana kaayaan médis anu gejalana henteu tiasa ditingali langsung. Hiji jalma anu gering halimunan bisa ngarasa pisan uncomfortable, tapi fisik teu aya Abnormalitas katempo. Dina hal ieu, sahenteuna kuring ngagaduhan 5 kelompok panyakit anu digolongkeun kana panyakit anu teu katingali:\r\n\r\nAutoimun: Sindrom Sjogren, Sindrom Antifosfolipid, Vaskulitis, sareng Kasakit Cerebral Diemielination.\r\nAritmia Jantung: Blok Jantung Lengkep (pacemaker dipasang)\r\nPanyakit Mental: Depresi Mayor.\r\nGangguan Neurologis: Pikun Vaskular, Kabut Otak.\r\nNyeri kronis: Nyeri sirah kronis, Sindrom kacapean kronis, Fibromyalgia.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "206", "text": "Cara daftar ka paguron luhur sabenerna mah loba jalurna, aya SNMPTN, SBMPTN, oge jalur mandiri. Lamun urang mah ngaliwatan jalur SNMPTN. Jalur ieu euweuh tes tapi murni tina nilai rapot ti semester mimiti nepika semester akhir salila sakola SMA. Cara bisa lulus ngaliwatan jalur SNMPTN teh nyaeta kahiji nilai rapot kudu konsisten jeung kudu naek tuluy ti tiap semester, paling minimal nilaina sarua jeung samester saacanna. Kadua bebeja ka guru lamun nilaina turun ti semester saacanna, ditulisna tong langsung ku pulpen dina rapotna, tapi ku patlot. Nu katilu pas semester akhir tingali nilai pelajaran naon anu turun, geus kitu tinggal nepungan guru-guru mata pelajaranna jeung menta di remedial ngarah nilaina bisa naek ti semester saacanna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7841", "text": "Heran pisan ka jalmi anu miceun runtah di walungan, padahal walungan teh lain wadah runtah, lain tempat kanggo miceun runtah, tapi angger we sok loba jalmi anu miceun runtah dina walungan, komo lamun cai walungan keur gede, loba jalmi anu ngamangpaatkeun kanggo miceun runtah, padahal eta kalahkah mindahkeun runtah ka tempat anu sanes. Geus mah walungan teh warna caina geus hideung, ditambih loba runtah anu numpuk, komo lamun nuju halodo, biasana runtah-runtah bakal numpuk di hiji sisi walungan, kadang oge ngahalangan cai janten nyebabkeun caah. Padahal lamun caah oge anu dirugikeun na mah maranehna oge. Sagala anu urang pelak bakal urang panen sorangan. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "237", "text": "Cara meunang giveaway sabenerna mah babari tapi kudu aya faktor keberuntungan oge sabab jadi ajang kompetisi jeung nu sejenna. Tapi aya cara ngameh peluangna meningkat. Nu kahiji, teangan giveaway nu rame dikunjungi. Bisa neangan akun atawa situs nu can loba batur apal ngameh peluang meunangna oge gede, tapi biasana nu kieu teh hadiahna leutik. Nu kadua, ulah poho kana aturanna. Sabab lamun meunang hadiah tuluy aya aturan nu diliwat, hadiahna oge bakal digugurkeun. Nu katilu, hindari cara licik. Teu ngan saukur ngarugikeun batur nu kuduna boga hak, tapi jadi jebakan jang diri sorangan. Misalna pas miluan giveaway ku cara licik, bisa wae ku pihak penyelenggara bakal dihapus sacara permanen ti daftar peserta, tuluy di blokir, jeung hal nu sejenna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7502", "text": "Budak SMP di salah sahiji sakola di Bandung ditewak ku pulisi saprak pidio manehna keur nyiksa rerencangan sakelasna viral dina sosial media. Dina pidio anu viral eta katingal yen palaku teh neunggeulan korban make sapu padahal korbanna teu nganggo helem, teu kabayang kumaha nyeri sirah jeung nyeri hatena para sepuh ti korban eta ningal murangkalihna disiksa ku rerencanganna sorangan. Babaturan na oge salah lantaran cicing wae, guruna oge salah lantaran nyepelekeun masalah anu seirus ieu. Untungna eta palaku langsung dibawa ka kantor pulisi kanggo dipariksa. Korban oge tos aya rencana pindah sakola lantaran sakola na teu ngalindungan muridna anu aya dina kaayaan anu bahaya. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7517", "text": "Hiji poe abdi nuju maturan ad abdi les ngojay. Abdi ngantosan di sisi kolam sabari diuk di korsi tuluy nyobian mesen emih dina kap. Teu lila aya budak leutik anu ulin di kolam tapi manehna teu aya nu maturan jeung teu aya nu ngajagaan, ai sugan teh mamahna bakal geura datang, tapi diantosan lami asa teu aya nu nyamperkeun budak eta. Abdi lansung ningalikeun budak eta bisi kunanaon. Epekteh bener, teu lila budak eta langsun kalelep, abdi langsung buru-buru ngageroan patugas anu biasa aya nyalametkeun jalmi anu kalelep. Patugas eta langsung ngabejaan sepuhna lantaran teu ngajagaan budakna sorangan, kalahkah ngantepkeun murangkalihna ulin di kolam sorangan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2492", "text": "Cara pas papanggih jeung baturan heubeul nu bakal kasono hal iyeu écés bakal ngajadikeun anjeunna ngarasa hargana tur muka nepi ka anjeun leuwih.\n1. Témbongkeun pikagumbiraeun ngaliwatan basa awak\nUpami anjeunna mangrupikeun jalma anu penting sareng bermakna dina kahirupan anjeun, anjeun pasti bakal ngarasa bungah pendak sareng anjeunna. Janten, pikeun ngajantenkeun pikagumbiraeun ieu langkung jelas, anjeun tiasa nunjukkeun kana basa awak anjeun. Contona méré nangkeup haneut di awal pasamoan, condong kana nalika anjeunna keur ngobrol, ngajaga ponsel nu jauh, sarta fokus kana hirup momen. Ieu bisa disada , tapi greatly mangaruhan assessment na anjeun. Ku nyaho yén anjeun senang jeung bungah, manéhna bakal ngarasa leuwih nyaman salila interaksi. 2. Buka deui kenangan heubeul\nBagian anu paling pikaresepeun nalika pendak sareng réréncangan lami nyaéta kilas balik kenangan anu kapungkur sareng aranjeunna. Ku alatan éta, nyaritakeun deui moments paling memorable jeung manéhna. Ngabuka kenangan anu lami tiasa narik anjeun deui ka masa lalu sareng ngaraos antusias deui nalika momen-momen bahagia éta kajantenan. Atmosfir bakal beuki haneut jeung ieu bisa muka jalan pikeun ngabahas kahirupan maranéhanana di mangsa kiwari.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5586", "text": "Ayeuna teh bulan katilu kahamilan Noni. Rasa seueulna makin parah. Ti saprak bulan kadua oge Noni sering psan ngarasakeun seueul nu kaliwat pisan dina beuteungna nepi ka alim dahar nanaon. Mun ngambeu nu bau atawa nu seungit oge sok langsung ongkek sabab laleneng karasa na teh. Awakna asa leuleus wae, hoream ingkah tina kasur, hayang na teh sare we sapopoe. Kadang mah karasa lieur dina mastakana mun ningali batur nu keur emam teh sabab ngambeu pasakan. Komo mimitina mah ningali suami na teh jiga nu geuleuheun pisan. Bulan katilu kahamilan kieu-kieu teuing pikir Noni teh. Mudah-mudahan we bulan kahareup na mah bisa leuwih baik supaya bisa baranggawe aktivitas saperti biasana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3386", "text": "geus ilahar yén ampir kabéh barang bakal dihasilkeun leuwih ti hiji. Janten, wajar upami di tempat anu teu disangka-sangka, urang pendak sareng anu nganggo baju anu pola anu sami. Janten, ulah gancang teuing nyimpulkeun yén anu urang pake nyaéta pasar. Di tempat anu béda, pasti aya anu ogé ngagaduhan hal anu sami sareng urang. Kacuali, barang ieu dipikanyaho jarang sareng parantos diumumkeun ku panyipta yén ngan ukur hiji anu bakal dilakukeun di dunya. Sanaos aya, pasti hargana bakal mahal pisan. Janten, tong hariwang. Saprak mimiti Anjeun meuli hiji item, tetep dina pikiran unggal hiji, urang teu hijina leuwih anu boga item ieu. Hehehe. Lain hal anu bisa oge, baju anu urang pake teh alias adat anu dipesen, mangka motif jeung desainna oge dijieun ku urang sorangan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2219", "text": "Salah sahiji épék cerai, Ngajadikeun urang leuwih condong kana salah sahiji kolotna urang milih hirup kalawan. Sajujurna, kuring leuwih nyaah ka bapa batan ka indung kuring, naha sabab kuring ti leuleutik cicing jeung bapa, malahan kuring oge mikanyaah indung kuring. Tapi, masih leuwih sedih ka papa. Entahlah, ngan beda, hanjakal meureun kuring geus biasa teu cicing jeung indung kuring. Aub dina konflik atawa masalah anu ngabalukarkeun cerai kadua kolotna. Ayeuna mah rumaos alit mah tos sepuh disanghareupan ku “indung anu salah” atawa “bapa anu salah.” Ti leuleutik kuring bingung ngadengekeun caritaan dua kolot. Sareng saatos dewasa oh sapertos kieu, ternyata masalahna enya kusabab henteu pas sareng henteu sabar. Jujur, papa sareng mama henteu kajebak dina hubungan anu toksik pisan. Papah jeung Mamah papisah, lain karana jalma katilu, tapi ku sabab sarua bandel, teu aya nu hayang nyerah, kitu maksudna. Moal keuheul anak nu jadi korban, ngan coba sabar, sabar yen da kasedihan pastina engke bala ereunan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "393", "text": "Pernah keur di asrama sabab padet miluan organisasi nepika geringna. Balik ka asrama teh geus ngarasa teu ngeunah awak, langsung andiprek dina kasur. Tapi maksakeun jang berobat sabab euweuh titaheun jang meuli obat, babaturan nu sakamar keur balik ka kampungna. Urang leumpang turun tangga bari nyekelan tembok da karasa lieurna sieun labuh pingsan. Untungna teh aya ojek online jadi urang teu kudu leumpang jauh ka klinik. Pas urang naek motor ge hese, kudu lalaunan. Diheulakeun heula suku anu katuhu. Nepi ka klinik urang langsung dipariksa, beres dipariksa urang diuk heula dina korsi tunggu, henteu waka mesen ojek online deui sabab masih lieur huluna. Aya kana 10 menitan geus teu rada lieur kakara mesen. Sabab lamun dipaksakeun sieunna pingsan dina motor.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8936", "text": "Dina waktos éta, indung kuring nyarioskeun pangalaman pikasieuneun anu anjeunna alami. Jam 2 isuk-isuk mamah keur nyeuseuh baju di dapur, ameh engke isuk teh tinggal ngejemur eta baju. Jol kadéngé sora jalma ngulek sambel ti imah gigireun. Kajadian ieu teh sababaraha kali lumangsung, mamah ogé teu kungsi nganggap aneh. Tapi karek ayeuna mamah ngobrol langsung ka tatangga, \"Meni rajin isuk-isuk tos nyambel, Bu.\" ceuk Mamah. Teu kungsi lila tatangga ngajawab, \"Ih, abdi mah teu nuju nyambel, karek hudang ieu teh.\" cenah. Mamah ngadadak jempé, reuwas jeung bingung. Janten saha anu sok ngulek sambel jam 2 subuh? Ngan sababaraha poé sanggeus éta, tatangga kuring ngabejaan mamah kuring yén manéhna nempo kalangkang hideung nalika anjeunna hudang jam 2 waktu éta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9246", "text": "Kulawarga urang téh kulawarga anu kirang mampu. Bapa kuring buruh bangunan sareng indung kuring ibu rumah tangga biasa. Gaji anu digajih ku bapa teh sabenerna mah teu cukup keur kaperluan sapopoe oge, jadi bapa jeung indung kuring loba hutang kaditu kadieu. Waktu harita indung kuring nitah meuli cengek di warung, tapi can aya duitna, ceuk indung kuring ngahutang heula ceunah. Sabenerna mah éra pisan kuring teh, masalahna mah di warung eta teh geus loba kali ngutang, éra lamun kudu boga hutang deui. Kusabab kaayaan kuring siga kieu, kuring jangji ka indung kuring pikeun diajar anu rajin sareng janten jalma anu suksés engke ka hareupna. Kuring hoyong ngalunasan hutang bapa sareng ibu, sareng ngabahagiakeun aranjeunna engke bagja.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2905", "text": "Carita dimimitian ku pengumuman kalulusan SMA. Sanggeus meunang béwara wisuda, kuring jeung réréncangan sarombongan mutuskeun pikeun ngarayakeun ku jalan-jalan naék motor bari jeung teu apal tujuan anu jelas. Sanggeus sababaraha kiloan nyupiran motor, kuring ngaliwat hiji sasak anu dihandapna aya walungan, dimana loba barudak anu keur ngarojay. teu mikir panjang, kuring langsung luncat tina sasak. Aliran cai tenang, kuring nyoba teuleum teras nahan suku kuring dina dasar walungan tapi henteu kajantenan, \"aduh, dasarna jero,\" saur kuring meureun 3-4 meter. Ujug-ujug suku kénca teu bisa digerakkeun! Mulai ti betis nepi ka jempol suku karasa kaku atawa heuras. Kusabab pikiran pegat jeung campur panik antara kudu nahan kanyeri atawa tarik heula, awak kuring geus teu bisa dikompromi deui nyieun \"gerakan\" sangkan awak bisa ngambang, tuluy ujug-ujug \"beuki\", kuring tilelep. Hanjakal, kaayaan cai walungan jelas teu jelas kawas kolam renang, jadi jalma di sabudeureun kuring teu bisa nyaho pasti naon anu lumangsung ka kuring anu lumangsung sarta tilelep", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2857", "text": "Phobia mangrupa rarasaan kaleuleuwihan sieun yén hiji jalma karasaeun ngeunaan kaayaan atawa objék nu tangtu. Sieun kaleuleuwihan ieu sering nyababkeun depresi parah, kahariwang, sareng panik. Kalolobaan jalma kalawan phobias terang yén sieun maranéhanana teu munasabah, tapi teu bisa ngadalikeun eta tur leuwih resep ulah objék takwa atawa situasi. Kaayaan ieu ngabédakeun fobia sareng kasieun biasa. Pikeun ngadiagnosa fobia, dokter bakal ngalaksanakeun wawancara médis ngeunaan gejala anu dirasakeun ku penderita. Gejala ieu engké bakal disaluyukeun ku dokter, naha atanapi henteu ngabalukarkeun phobia a. Sajaba ti éta, pikeun nyieun diagnosis, dokter ogé bakal nanya ngeunaan sajarah kasakit nu ngalaman penderita (kaasup kasakit jiwa), kahirupan sosial sabar, sarta sajarah pamakéan narkoba.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2855", "text": "Pangalaman traumatis anu kantos kajantenan waktos abdi bade ngaos Al Qur'an di salah sahiji imah ustadz. Waktu harita kuring maké rok panjang sabab wajib pikeun awéwé maké rok atawa gamis nalika maca Al Qur'an. Kajadian ieu dimimitian nalika kuring balik ti ngaji sareng tetela kuring ningali hayam bikang ngudag kuring sareng ujug-ujug macok suku kuring dugi ka getihan. Kuring ngan ceurik kanyenyerian, sedengkeun tatangga-tatangga kuring anu ningali waktu harita ngan seuseurian. Isukna kuring indit maca Qur'an jeung nempo deui hayam jago badag pisan. Pikiran kuring mun ngaliwatan hayam deui bakal dipacok deui kawas kamari, saprak harita kuring masih trauma lamun aya hayam di sabudeureun kuring. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3321", "text": "Ngaminimalkeun résiko kontaminasi silang sareng panyebaran baktéri ku cara mastikeun kabersihan sareng kasalametan pangan anu leres mangrupikeun unsur penting dina mastikeun karaharjaan staf sareng konsumén.\r\n1. Dapur mangrupakeun wewengkon dimana aya pamakéan cai tinggi, sarta kalawan tingkat luhur akumulasi kokotor jeung gajih, lantai di dapur bisa jadi leueur jeung slimy kana waktu. Upami ieu kajantenan, maka anjeun nempatkeun staf dapur anjeun dina kaayaan anu résiko luhur pikeun kacilakaan sapertos slips sareng ragrag. Ngajaga kaamanan staf.\r\n2. Anjeun tiasa nempatkeun Mats nu heunteu licin dina sababaraha titik strategis di dapur\r\n3. Ngalatih staf dina prosedur ngumbah leungeun ditangtoskeun, sarta nyadiakeun kawijakan pikeun pamakéan sarung pikeun ngaleutikan sumebarna kuman tina leungeun kana dahareun keur diolah.\r\n4. Mastikeun yén sakabéh staf anu nanganan ngolah kadaharan di dapur minuhan standar kabersihan aya. Patogén sapertos norovirus gampang nyebarkeun sareng gaduh dosis inféktif anu rendah - hartosna sakedik pisan organisme anu diperyogikeun pikeun nyababkeun panyakit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7607", "text": "Ayeuna mangrpakeun kahiji kalina abdi numpak kareta anu jadwal peuting-peuting nyalira. Abdi teu nyangka pisan yen kareta peuting bakal sepi pisan. Di gerbong anu abdi tumpakan oge ngan aya tilu panumpang, jaba diukna oge papisah, teu aya nu ngahiji. Kareta model ieu memang anyar keneh matak teu acan seeur jalmi anu nganggo. Abdi oge milih kelas kareta anu paling awis matak teu seeur panumpang di kareta abdi. Abdi numpak kareta di tabuh dua subuh lantaran tabuh salapan kedah tos dugi di Jakarta ti Bandung. Abdi ngarasa sieun pisan salila cicing di kareta lantaran suasanana teh siga teu aya sasaha pisan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7579", "text": "Salian ti soang, abdi oge sieun ka hayam jago. Padahal ka hayam anu sanesna mah abdi teu sieun. Tapi ku lantaran hiji kajadian, abdi janten sieun ka hayam jago. Aya hiji tatanggi kuring anu gaduh hayam jago, ukuranna teh badag pisan. Hayam jago eta gaduh loba ciak anu lalucu. Basa abdi nuju ulin ka imahna abdi ningal ciak tuluy ngudag ciak, teu lila abdi diudag ku hayam jago, mereun disangkana urang bakal nyokot anakna, jadi manehna nyerang kuring. Abdi langsung lumpat asup ka imah rerencangan kuring lantaran sieun diudag ku hayam jago. Pas dek balik, abdi menta dipangenteurkeun ku rerencangan lantaran sieun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2953", "text": "Saluhur-luhurna iman manusa nyaeta sabaraha jauhna rasa khauf jeung kaikhlasan dina ibadah. Imam Ibnu Taimiyah ngadawuh, \"Naon bae anu ngahalangan maranéh tina maksiat, maka éta téh khauf anu ku kami dipilari. Islam henteu pernah nungtut leuwih ti éta. Kitu deui babaturan, maranéhna jadi jalma-jalma anu istiméwa kalayan takwa ka Gusti Nu Maha Hirup tur Maha Kawasa\". Khauf tumuwuh dibarengan ku tumuwuhna rasa cinta ka Alloh SWT. Nalika hiji jalma mikacinta ka Alloh, anjeunna bakal sieun ngalakukeun amal anu bendu ka Anjeunna. Anjeunna oge sieun dijauhan ku Anjeunna salaku kakasih anu sieun ditinggalkeun ku jalmi anu dipikanyaahna. Khauf ogé bakal termotivasi pikeun terus ngalakukeun amal jeung terus ningkatkeun amal na. Kalawan eta anjeunna bakal terus ngadeukeutan ka Allah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4418", "text": "Keur kaum hawa atawa awewe biasana emang sok ambek ambekan tanpa sebab, hal ieu biasana kajadian kusabab hormon anu teu stabil biasana eta teh ciri urang erek haid atawa keur haid. Hormon ngajieun urang awewe teu bisa di tebak, jadi babari sensitif babari ceurik, babari ambek ambekan kusaba hal anu teu jelas. Dina waktu haid, naha anjeun pernah ngarasa mood turun-tumurun, kayaning ambek, sedih lajeng ngadadak senang tanpa alesan? Parobahan anu ngadadak sareng drastis dina wanda saolah-olah kajantenan tanpa alesan nyaeta kaributan emosional anu mangrupikeun gejala normal tina sindrom premenstrual atanapi PMS. Eta kabeh teh kajadian kusabab hormon estrogen dina awak maenkeun peran penting dina kaayaan ieu anu bakal ngahontal tingkat pangluhurna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5950", "text": "Kahirupan di dunya mah ngan samentara, nu kekal abadi mah di akherat nu dijembatani ku kamatian. Dina ngahadapi kamatian teh teu kudu sieun, kedah disongsong kalayan bekel nu loba. Hal-hal nu bakal dibekel dina alam kubur teh aya tilu, nu kahiji nyaeta sodaqoh jariyah. Sodaqoh jariyah teh penting pisan jang bekel urang di akherat, sabab berkenaan jeung kaikhlasan jeung silih bantu sasama. Nu kadua nyaeta elmu nu mangpaat. Jadi, mun gaduh elmu teh kedah dimangpaatkeun supaya bisa oge mangpaat jeung urang. Mun elmu teu dimangpaatkeun mah bakal leungit, moal napak saeuti-eutik acan. Nu katilu nyaeta anak nu sholeh. Hal ieu bisa ngadukung atawa nabung doa ka kolot supaya dicaangkeun alam kuburna. Ana sholeh teh cenderung ngarti jeung ngadoakeun tanpa dipenta.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6079", "text": "Mitos kolot baheula ngeunaan budak leutik mah sok kentel pisan. Salah sahiji nu terkenal teh nyaeta mitos kudu mawa taneuh buruan imah mun rek kamana-mana teh. Jadi, mun rek inditan teh kudu mawa taneuh buruan imah, mun geus nepi ka tempat tujuan teh awurkeun eta taneuh ka buruanna. Tujuanna supaya buda teh bisa betah jeung bisa ngabaur di lingkungan nu anyar. Malahan mah mun teu aya taneuh kedah digentos ku cai. Jadi, cai teh dibaurkeun ka sumur nu aya di tempat tinggal anyar. Mun henteu kitu, diyakini si budak teh bakal hese adaptasi jeung deuih bakal kagegeringan sabab teu biasa ku lingkungan anyarna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5551", "text": "Hiji acara televisi nu ngayakeun prank teh biasana mangrupa titah cicing di imah kosong tuluy diprank make rupa-rupa gangguan. Biasana korban prank bakal dititah cicing di imah kosong salila sapeupeuting. Tantanganna nyaeta kudu kuat ngalawa sagala gangguan nu aya. Gangguan mimiti nu diberekeun nyaeta sora orok ceurik. Mun bisa keneh tahan, lanjutkeun prank kadua nyaeta nampakkeun bantal guling nu dijieun jiga bentuk pocong. Mun tahan keneh brarti lanjutkeun ka gangguan nu katilu nyaeta ngalayangkeun kaen bodas dinu poek. Tah mun taha keneh nepi ka beres teh karek meunang apresiasi, biasana mah sok dibere uang atawa meunang hadiah sejenna jiga gratis liburan jeung sajabana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "768", "text": "Di sakolaan urang aya kelas nu ngabedakeun salian kelas IPA jeung IPS, nyaeta kelas unggulan jeung kelas biasa. Kelas unggulan mah biasana diheulakeun nanaon wae ge, atawa mun meunang prestasi diumumkeun dihareupeun loba jelema. Ari pas urang juara karate, boboraah diumumkeun, apaleun oge henteu kepala sakolana. Sabab harita urang ambek ngadatangan ruangan kepala sakola, naha pedah urang kelas biasa jadi dianaktirikeun? Padahal urang oge sarua mayar, ngan pedah mayarna teu saloba kelas unggulan. Nu akhirna mah pas Senen hareupna kakara diumumkeun, ku alesanna teu apal. Lain urang gila hormat atawa hayang dipikawanoh berprestasi ku batur, tapi di sakola mah atuh kudu adil, komo ieu salaku kepala sakola. Naha masih keneh mandang duit?", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2607", "text": "naha jalma jadi rasis? Saur kuring, ieu didorong ku sifat sosial hiji individu anu teras dikuatkeun ku kelompok/lingkungan. Manusa leuwih resep nyieun grup dumasar kana kamiripan ras jeung nyoba misahkeun diri tina grup nu ras béda. bédana ras ieu dianggap dasar pikeun nangtukeun \"saha di grup kuring\" jeung \"anu henteu\". ieu lajeng ngabentuk lingkungan sosial antara grup béda. nu grup ieu bakal boga kontribusi badag pikeun ngembangkeun sosial individu di dinya. Ieu gesekan antara grup bisa ngaburukeun masalah ras antara grup jeung individu dina solusi nu ditawarkeun? nyadiakeun pamahaman jeung muka up duanana individual / grup ti individu / grup lianna sangkan unggal bisa ngaronjatkeun perspéktif maranéhanana dina béda ras. sabab dasarna, euweuh hiji jalma lahir langsung rasis!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3270", "text": "Darah mangrupikeun hiji hal anu penting pisan pikeun awak manusa. kumaha oge, teu saeutik jalma anu teu bisa ningali getih nalika aya anu tatu atawa tatu. Sacara umum, hiji jalma bakal ngarasa leuleus, lieur, komo saré lamun ningali cairan ieu. kaayaan ieu tétéla boga katerangan ilmiah sacara ilmiah. Sacara ilmiah, kaayaan henteu mampuh ningali getih, ngambeu nu amis ti darah. Dina kaayaan ieu, jalma bakal ngalaman keteg jajantung anu henteu teratur nalika ningali getih. Hal ieu nyababkeun urat suku ngalegaan sareng ngajantenkeun getih tina sirah nuju ka handap awak ngabalukarkeun rasa kalemahan sareng pusing. Tungtungna, tekanan darah ogé bakal turun. Upami tekanan darah turun gancang teuing atanapi ageung teuing, teu jarang kaayaan ieu nyababkeun jalma bingung.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7566", "text": "Abdi mah sok rada sieun lamun numpak kandaraaan pas nuju hujan, komo lamun jalanna caah anu nutupan jalan janten urang teu apal lamun ngaliwatan polisi tidur jeung jalan anu barolong. Ditambih deui lamun urang ngaliwatan jalan anu loba ledok, biasana bakalan leeur sareng janten loba kacilakaan. Basa abdi nuju ngaliwatan jalan anu ledok, abdi milih jalan gigir anu aya jukutna supados teu pati leeur, sanajan kedah ngantosan kandaraan anu sanesna rada lami tapi teu nanaon tibatan jalan di tengah anu leeur. Teu lila aya hiji motor anu ngebut pisan di jalan tengah tuluy pedah ban na leeur manehna labuh di tengah jaba ka keeum ku cai ledok. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7805", "text": "Abdi sareng rerencangan kampus nuju aya kagiatan nyaeta kedah ngadatangan imah-imah anu aya di desa lantaran desa ieu kaapus desa anu kaberesihanna kirang pisan, utamana di kamar caina, padahal kamar cai anu kotor teh janten sumber panyakit. Abdi ditugaskeun ngadatangan sababaraha imah anu tos dipasihan apal ku lurah di dinya. Abdi kabagean kanggo ningal kamar cai supados tiasa dibenerkeun jeung tiasa dianggo ku kulawargi di imah eta. Pas abdi ningal kamar cai na, abdi teu kiat pisan lantaran aya tai di mamana anu tos garing jeung bau hangseur pisan lantaran teu aya lobang wc kanggo miceun kokotor jeung loba pisan laleur hejo. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2860", "text": "Kuring geus ngalaman fobia cakcak. Baheula mah sieun pisan ku cakcak. Waktu keur SD, kuring teu kungsi wani lebet ka kelas, sabab kabeh babaturan sakelas ngajejeleh siga nu keur nyekelan cakcak jeung arek ngalungkeun ka kuring. Kuring henteu terang iraha kuring mimiti sieun ku cakcak. Abdi henteu kantos émut nalika trauma ku cakcak. Anu kuring émut, indung kuring ogé ngagaduhan fobia ka cakcak sareng trauma nalika anjeunna alit. Salian ti kuring, 2 sadulur kuring oge fobia kana cakcak. Indung jeung urang tiluan kacida sieun lamun aya cakcak dina tembok deukeut urang, atawa luhureun urang. Sareng sapertos kuring, dua lanceuk kuring ogé henteu émut ngalaman trauma anu aya hubunganana sareng cakcak. Paling dipikaresep urang fobia sabab 'diajar' ku indungna ngahaja (teu sadar) ngan ayeuna kuring parantos pulih tina phobia ieu", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7262", "text": "Hal anu kedah dilakukeun lamun urang tinggaleun pesawat nyaeta anu kahiji urang teu kedah panik. Urang tiasa tataros ka petugas anu aya di bandara, biasana sok aya petugas ti unggal maskapai anu cicing di area bandara. Urang oge tiasa tataros ka satpam, biasana satpam di bandara sok apal naon wae masalah anu sok dikeluhkeun ku panumpang. Lamun nyatana urang bener-bener tinggaleun pesawat, urang tong maksakeun numpak pesawat, urang kedah narima, komo lamun eta teh disebabkeun ku urang sorangan. Sateuacan numpak pesawat saena mah urang teh milarian inpormasi anu seeur ngeunaan masalah anu sering dialaman ku jalmi anu karek naek pesawat supados teu kajadian di urang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9008", "text": "Aya sababaraha cara pikeun ngatasi kasieun kasepian kusabab nyalira. Kahiji, nyaéta semedi nyalira di tempat anu nyaman. Jalma anu sieun kasepian, pasti bakal nyingkahan kagiatan anu kedah dilakukeun nyalira. Sanajan kitu, coba ulah ngahindari eta tur coba ngajalankeunna. Anjeun tiasa nyandak kelas semedi online atanapi ngadangukeun audio semedi khusus anu ngabantosan nenangkeun haté sareng pikiran nalika anjeun nyalira. Meditasi sapertos kieu tiasa ngabantosan anjeun ngatasi kahariwang sareng kasieun nalika anjeun nyalira. Kadua, milari kasenangan anu sederhana. Pikeun ngalawan kasieun kusabab nyalira, coba buat mohokeun kagiatan anjeun nu sibuk sareng cobian fokus kana hal anu sederhana sareng pikaresepeun pikeun anjeun, sapertos ngawarnaan atanapi masak. Kagiatan saderhana ieu tiasa ngaktipkeun kasenangan anu anjeun parantos hilap sateuacanna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3417", "text": "Sabenerna kesang pacampur jeung baktéri anu ngabalukarkeun bau awak. Sajaba ti éta, aya faktor séjén anu bisa ngabalukarkeun bau awak, kayaning ayana kasakit tangtu, racun, obesitas, diet teu saimbang, komo deterjen.\nAya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun bau awak, salah sahijina nyaéta ku mandi nganggo sabun antibakteri. Mandi sacara teratur sahenteuna 2 kali sapoé, khususna saatos ngalaksanakeun kagiatan fisik anu ngahasilkeun kesang. Ogé pastikeun pikeun ngabersihan kelek, beuheung jeung palangkangan wewengkon nu rawan sweating kaleuleuwihan. Oh enya, leuwih sae ulah ngajaga bulu kelek sabab bisa ngabalukarkeun wewengkon kelek jadi beuki beueus.\nOh enya, mun awewe make jilbab, bisa jadi hade mun merhatikeun baju nu dipakena. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "336", "text": "Trauma pas keur budak keneh bisa disebabkeun ku rupa-rupa faktor. Di antarana bencana alam nu ditinggali pas masih keur leutik keneh, kekerasan nu ditinggali jeung pernah dialaman, kekerasan seksual, jeung kaleungitan jelema nu dipikanyaah. Teu ngan eta hungkul, di hare-harekeun sacara fisik jeung emosional, ngarawat hiji jelema ku panyakit kronis, ngantunkeun sacara ngadadak di kulawarga, ninggali kekerasan dina kulawarga atawa lingkungan sabudureun, pisah pepegatan kolot, jeung kajadian nu sejenna nu bisa ngarasa sieun jeung kawalahan nu matak bisa nyebabkeun trauma keur budak keneh. Trauma keur budak keneh bisa mere pangaweruh kana hubungan nu dijalin ku anak ka saha wae ge.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2462", "text": "Mangsa MOPD/MOS SMP abdi taun 2007 sesah. Salain kaserang panyakit jiwa alatan dibully ku sababaraha urang sakelas (kusabab dianggap kutukan, cengeng, jrrd), tetela kuring oge cicingeun diserang ku panyakit. Rasa munggaran nyaéta sarapan dina dinten kadua MOPD. Kuring ngadadak jadi sénsitip kana pangan nu ngandung minyak atawa goreng. Abdi sok seueul sareng hoyong utah nalika mimiti tuang endog goreng kanggo sarapan waktos éta. Ieu dituluykeun nepi ka ahir periode MOPD, dimana acara nyaeta sapeuting nginep di sakola. Saptu soré, sanggeus MOPD réngsé, panyimpangan séjén mimiti muncul. nyaeta 1. Salian ti seueul, 2.tétéla burih sabudeureun burih bareuh. 3.cikiih kuring ogé robah warna jadi konéng caang. Geus bae geuwat peuting kuring dibawa ka dokter. Dokter umum anu mariksa éta nyarios yén kuring ngagaduhan gejala hépatitis sareng dititah ngontrolna saatos tilu dinten upami henteu ningkat. Dokter resep sababaraha tablet.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "740", "text": "Isuk-isuk mun mangkat kuliah pasti sok macet wae, komo urang mun sakapeung keur dugdag. Mangkat ti imah teh sok nyubuh da mun kalewat 5 menit teh geus weh pasti jalanan macet. Urang sok ambek mah mun ngaliwatan jalan kahatek Cijerah, aduh teu beak pikir eta keur mah jalanan leutik tuluy si tukang dagang sok daragang dina trotoar, atuh nu laleumpang teh kapaksa leumpang di sisi jalan jadina pajuliwet antara nu leumpang jeung nu mengendarai motor. Komo deui mun aya angkot nu sangeunahna ngetem di sisi jalan, cing atuh enya oge neangan rezeki tapi ulah nepikeun hak batur dicokot eta pan sarua jeung dzolim ngaranna teh.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3312", "text": "Nengetan metodeu anu bener pikeun nyimpen bahan pangan\r\nNgagunakeun bahan nu teu seger bisa nyieun dahareun anjeun gancang basi.\r\n1. Lamun nyimpen dahareun dina kulkas dina jumlah badag, Anjeun kudu nyadiakeun rongga dina saban gigir. Ieu pikeun ngidinan sakabéh kadaharan pikeun nampa cooling nyukupan.\r\n2. Nempatkeun dina tempat garing sarta ulah paparan ka cahya panonpoé\r\nAnjeun kedah émut yén baktéri resep pisan ka tempat anu beueus. Éta pisan sababna naha, eta leuwih hade pikeun nyimpen dahareun dina tempat garing. Ku kituna, éta bisa ngaleutikan kontaminasi baktéri.\r\n3. Hindarkeun Ninggalkeun Dahareun Uncovered\r\nKadaharan anu ditinggalkeun kabuka bakal kacemar ku hawa sareng baktéri. Teu kacaturkeun serangan laleur anu bisa ngurangan kualitasna. Dahareun anu dibuka langkung gancang rusak, kusabab kontaminasi ku kokotor sareng baktéri.\r\n4. Lamun dahareun geus panas, nempatkeun eta dina tutup porsi anu boga pori. Sanajan kitu, lamun dahareun geus tiis, geuwat nutupan eta pageuh ulah kontaminasi.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3406", "text": "Enya, tétéla éta téh Bu A anu nyokot barang-barangna. Kajadian carita basa batur sapagawean ngahaja nempo payungna dina laci Bu A anu biasana sok dikonci. Waktu ditanya jeung si Mbak A kapaksa muka laci, tétéla rupa-rupa barang séjén, ti mimiti pulpén nepi ka lipstik, kapanggih milik jalma anu leungiteun barang-barangna. Sarerea héran, salaku pajabat bank, panghasilanana pasti leuwih ti cukup pikeun meuli éta kabéh. Barang-barang anu dicandak tiasa disebatkeun barang-barang sepele anu anjeunna gampang mésér nyalira.\r\n\r\nTina carita-carita anu medar, tétéla kabiasaan nyokot barang batur geus dipikawanoh ku saréréa anu biasa gawé bareng di cabang séjén. Sarerea satuju yen Bu A boga kleptomania. Anu lucuna mah basa ditanya naha barang-barangna aya dina lacina, ngan saukur ngomong teu nyaho atawa sakapeung sok nginjeum. Ti harita saréréa beuki ati-ati di sabudeureunana.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7599", "text": "Saatos mamah teu aya, abdi teu wani bobo nyalira di kamar abdi. Padahal geus sababaraha taun abdi wani bobo di kamar nyalira. Padahal abdi teu mikiran nanaon tapi unggal abdi bade bobo peuting-peuting abdi teu tiasa bobo. Aya parasaan keeung pisan pas bade bobo teh. Pokona dina pikiran teh sok aya wae pikiran hayang kaluar ti kamar. Abdi langsung buru-buru pindah ti kamar abdi lantaran beuki abdi nyobian kanggo bobo kalahkah beuki sieun. Abdi langsung ngalih ka kamar adi abdi mawa simbut. Teras we kitu nepikeun sababaraha minggon. Lantaran teu nyaman abdi langsung mutuskeun kanggo ngalih ka kamar anu sanes.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4709", "text": "Aya gerbang warna na koneng polos mani alus jaba bersih resik katempona teh, di gigirna teh aya tatangkalan hias. Mun di tingali ti harep mah badena teh pabrik, tapi sepi jeung tukang na teh aya leweung awi. Urang jeung babaturan keur neangan pabrik manufaktur sakeur tugas di kampus, tapi grus babaraha jam neangan can ka panggih jadi weh icing heula di gerbang eta bari popotoan. Awalna mah sepi eweh nanaon, jalanan ge sepi malah jiga bangunan kosong pas urang ngintip di gerbang na anu kabuka saetik. Teu lila aya sora anjing ti kajauhan, urang jeung babaturan bingung kusabab teu nyaho sora anjingna ti mana. Ai heug teh makin lila sorana makin deukeut, nyaho na mah tukangen aya anjing opat keur lulumpatan rek ngudag urang jeung babaturan. Pas di udag teh urang nepika ngadegdeg kasieunan, soalna anjing penjaga tea anu ganas. Buru-buru naek ka motor, tapi babaturan urang sasah da hese ngagas jadi weh suku urang beunang di gegel tapi teu pati jero teuing da make sapatu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4686", "text": "Ulah anggap remeh anu ngarana trauma kasieunan korban anu pernah di bully, meski kaciri na biasa wae di jero na korban bully biasana boga luka di hate na nyeri hate anu bener bener hese di poho keun, aya loba deui oge dampak mental anu bakal kajadian lamun urang jadi korban bully nyaeta bakal kaleungitan kapercayaan dirina, bakal ngarasa hirup geus teu guna, lamun rek ngamulai ngajieun sesuatu pasti bakal kasieunan, bakal sieun kapanggih jeung batur jeung loba deui nu sejena. Mental batur teh beda beda teu kabeh kuat di bully, aya jelema anu di bully biasa wae aya anu di bully jadi sieun katutulyan anu akhirn bisa ngaruksak keun hirupna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6991", "text": "Aya hiji tatanggi kuring anu beunang panyakit AIDS lantaran beunang virus HIV. Manehna emang katelah mineng pisan mawa awewe ka imahna, hampir unggal poe aya wae awewe anyar anu gonta-ganti. Asalna mah manehna teu apal beunang panyakit, tapi tos saminggu ieu manehna teu kaluar imah, pas nuju bade ditagih mayar kontrakan manehna teu ngabuka panto sanajan geus sababaraha kali digedor. Tungtungna mah kapaksa pantona dibuka paksa ku sarerea, pas dibuka manehna teu sadar teras dibawa ka rumah sakit. Pas diparios epekteh manehna beunang HIV. Pas tos sababaraha sasih manehna direhab teras balik deui ka kontrakan, manehna nyarita yen manehna moal deui ngalakukeun hal anu awon. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8549", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era anu disebut bau. Pastikeun pikeun ngajaga kabersihan diri ku sering mandi, ganti baju beresih sareng nerapkeun antiperspirant upami diperyogikeun. Coba ulah sensitip kaleuleuwihi: Emut yen bau awak mangrupikeun hal anu alami anu tiasa kajantenan ka saha wae, sareng sanes ngagambarkeun kapribadian atanapi martabat hiji jalma. Upami aya anu nyarios anjeun bau, cobian komunikasi sareng aranjeunna sareng naroskeun naon anu salah. Panginten aranjeunna gaduh solusi atanapi saran anu tiasa ngabantosan anjeun. Anggo parfum atanapi minyak atsiri, ieu tiasa ngabantosan anjeun nutupan bau awak sapopoe. Emut yen pandangan batur sanes mangrupikeun cerminan kapribadian atanapi martabat anjeun, sareng fokus kana ngajaga kabersihan pribadi sareng perasaan anu hade ngeunaan diri anjeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3382", "text": "Anjeun kudu nyieun karapihan jeung éra. Sanaos henteu gampang, anjeun tiasa nerapkeun léngkah-léngkah ieu.\r\n1. Tarima ka diri sorangan, lamun ngarasa isin\r\nTaya sahijieun hayang ngarasa embarrassed atanapi humiliated. Nanging, nalika éta, anjeun moal tiasa ngahapus tina mémori. Hal kahiji anu anjeun kedah laksanakeun nyaéta nampi yén anjeun ngarasa éra. Anjeun teu kedah nampik sareng nganggap yén anjeun henteu kunanaon. Anjeun kedah nampi éra pikeun ngalawan éta. Ku ngaku kumaha parasaan anjeun, anjeun ogé tiasa janten jalma anu percaya diri sareng positip deui. Penerimaan diri ieu leuwih penting batan kudu terus-terusan nutupan éra nu dipiboga.\r\n2. Ngajauhan jalma anu mawa éra deui\r\nLeres pisan nalika masih aya jalma anu ngingetkeun anjeun ngeunaan hal-hal anu ngerakeun anu parantos kajantenan. Upami masih aya jalmi anu kitu, atanapi ngahaja nyinggung ka anjeun supados langkung éra, langkung saé pikeun nyingkahan jalma-jalma anu \"racun\" ieu. Anjeun gaduh hak milih saha anu bakal aya di sabudeureun anjeun sareng saha anu henteu. Ngurilingan diri anjeun sareng jalma anu ngadukung, ngartos sareng bogoh ka anjeun.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5584", "text": "Tos dua bulan Nina teu haid. Biasana emang sok kitu, haid na teh sok telat wae, bahkan pernah nepi ka opat bulan nembe haid deui. Mun mimiti haid oge sok nyeuri pisan beuteung nateh, sok nepi ka dirawat di bidan deukeut imahna. Untungna Nina boga caroge nu ngartikeun pisan kondisina, kamana-mana dianter jeung dicumponan. Tapi akhir-akhir ieu Nina teu ngarasakeun nyeuri beuteung, kalah ka seueul we. Ku carogena tuluy dibawa we ka rumah sakit, dipariksa bisi aya panyakit. Pas dipariksa Alhamdulillah dokter nyatakeun yen Nina positif hamil. Nina bersukur pisan tidinya sabab emang sanes panyakit, tapi titipan ti Gusti Allah. Tidinya Nina mulai ngajaga kasehatan nana jeung ngajauhkeun pikiran stress.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4411", "text": "Lamun urang aya dina jero hubungan pernikahan anu teu sehat, anu di jero na aya kakerasan atawa di sebut KDRT eta teh masalah anu beurat pisan jeung lamun urang mah moal bisa mere toleransi, kusabab KDRT teh mere dampak atawa lka anu gede pangaruh na keur urang salaku korban na. Dampak anu di tibulkeun oge lainngan dampak fisik luka luk anu nyeri pisan, tapi leuwih parah na nyaeta aya dampak psikologis nyaeta dina bentuk kasangsaraan atawa kasangsaraan fisik, seksual, psikologis jeungka asup ancaman pikeun ngalakukeun tindakan, oge paksaan atawa nyabut kabebasan hukum dina lingkungan rumah tangga. Lamun ieu geus nepi kajadian kulawarga atawa jelema anu deukeut kudu nyokot lengkah wani, wani nyarekan pelaku na tuluy ngalaporkeun ka pihak anu berwajib.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7002", "text": "Abdi gaduh rerencangan anu unggal poe datang ka sakola teh sedih wae, manehna oge mineng pisan diuk sorangan, teu gabung jeung rerencangan anu sanes. Pernah oge abdi ningal manehna ceurik di kamar cai. Hiji poe abdi ngadakeutan manehna, abdi mulai naros kunaon manehna sedih jeung ceurik basa eta. Manehna langsung nyaritakeun sagala anu manehna rasakeun. Mamah jeung bapana tara akur, komo saminggu ka tukang bapa jeung indungna paguntreng wae. Manehna sedih lantaran teu tiasa ngadukung salah sahiji na. Manehna oge kapikiran hoyong kabur ti imah, tapi teu wani lantaran bapana galak pisan. Isukna manehna carita deui yen mamah jeung bapana cere. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6319", "text": "Di pedagang kaki lima nu aya di daerah Jakarta mah pernah aya berita nu mergokan proses pembuatan bala-balana make sayuran nu geus teu kapake di pasar, alias pamuangan. Terus tarigu nu dipake na ge sok kadang mah nu geus lila pisan sabab harga na leuwih murah. Tah hal ieu teh jadi sumber panyakit mun dikonsumsi ku manusa. Jeung deuih bakal ngabahayakeun kana kasehatan jangka panjang mun remen teuing konsumsi dahareun jiga kieu. Mantak, mun rek jajan di sisi jalan teh kudu titingalian heula minimal kaberesihan lapakna, jeung kaberesihan nu dagangna. Oge tingali lingkungan sakitarna bisi deukeut jeung tempat nu kotor atawa teu layak.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3291", "text": "Ku sikep Kangjeng Nabi anu ngan ukur ngesek ciduh tanpa disucikeun ku cai saperti di luhur, al-Khatthâbi dina Ma'âlimus Sunan juz 1 kaca 144 nyatakeun, ciduh teh suci. Pamadegan ieu saluyu jeung omongan para ulama kajaba Ibrahim an-Nakhai anu boga pamadegan yen eta najis. Dawuhan Rosul anu kedah digariskeun, tatakrama nyiduh nalika sholat henteu kedah nuju kiblat. Lian ti ka arah kiblat, masih bisa diangken, salila solat teu di masjid. Lamun solat di masjid jeung ngabalukarkeun kokotor, dina syarah al-Muhadzab disebutkeun, ieu haram. Upami anjeun hoyong nyiduh, anjeun kedah nyiduh ka arah baju anu anjeun anggo, contona dina kerah kénca. Dina hadits anu diriwayatkeun ku Abu Hurairah, Rosululloh SAW pernah naroskeun ka jalma anu sholat, lamun hayang nyiduh kudu ngajauhan arah kiblat, sabab anjeuna keur ngadoa ka Alloh. Sedengkeun ka katuhu kudu dijauhan sabab di dinya aya malaikat (pencatat amal soleh).", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2972", "text": "Kumaha Nyalametkeun Diri Nalika Gempa Nalika Anjeun Di jero Imah\r\nLini salawasna datang teu paduli waktu jeung tempat. Nalika anjeun aya di bumi sareng aya gempa, teu kedah panik. Anjeun tiasa ngalakukeun cara-cara ieu pikeun nyalametkeun diri anjeun:\r\n\r\na. Mun mungkin, dina sababaraha detik saméméh oyagna intensifies, mindahkeun jauh ti kaca, ngagantung objék, rak buku, cabinets china, atawa potongan jati badag lianna nu bisa ragrag. Lalajo objék ragrag, kayaning bata ti hawu jeung liang haseup, fixtures lampu, gantung témbok, rak luhur, sarta lomari kalayan panto nu muka.\r\n\r\nb. Upami Anjeun gaduh hiji caket dieu, grab hal pikeun ngajaga sirah jeung beungeut anjeun tina ragrag lebu jeung kaca pegat.\r\n\r\nc. Lamun aya di dapur, geura mareuman kompor jeung nutupan eta dina jolt munggaran.\r\n\r\nd. Mun anjeun dina ranjang, tahan sarta cicing di dinya, ngajaga sirah anjeun ku bantal. Kurang kamungkinan kana cilaka upami anjeun nutupan dimana anjeun aya. Émut, kaca pecah di lantai tiasa nyababkeun tatu upami anjeun leumpang di luar.\r\n\r\ne. Tong nangtung di lawang panto. Anjeun tiasa nutupan langkung aman handapeun méja. Di imah modern, doorways teu kuat ti sesa imah. Ogé, panto teu bisa ngajaga anjeun tina kamungkinan sumber tatu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1420", "text": "Sanajan urang meunang beasiswa jang kuliah S-1, tapi kanyataan mah di awal-awal beasiswa eta teh telat cair. Jadi urang kudu boga cecepengan heula salila hirup 3 bulan di asrama. Urang nginjeum ka kolot sorangan, geus jangji mun beasiswa geus cair langsung dibayarkeun. Tapi acan ge sabulan, duit nu urang nginjeum teh geus beak deui, urang nginjeum deui ka kolot. Kitu oge pas rek asup dua bulan duit urang nginjeum teh geus beak, anu akhirna mah urang bener-bener papaitan ka kolot yen acan cair beasiswa teh jadi acan bisa mayar. Sabenerna kolot urang mah nya biasa wae, ngaranna oge ka anak, teu mayar ge teu nanaon. Tapi urang anu era, geus embung deui kuliah teh ditanggung ku kolot, hayang mandiri. Nepikeun ka erana, urang unggal minggu teh geus tara balik ka imah, samemeh mayar urang moal waka balik.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3277", "text": "Tempat runtah. Tempat ieu kotor pisan sareng pinuh ku sampah.\r\nArea tepi kompor. Wewengkon kompor kotor kusabab sésa-sésa kadaharan asak sareng sésa minyak goreng.\r\nArea bak mandi. Kusabab sok katepaan ku cai, matak jadi lumut jeung leueur.\r\nSolokan. Ieu tempat kotor ku sabab cai ngeuyeumbeu anu bisa ngabalukarkeun bau jeung jadi tempat reungit anu bisa ngabalukarkeun panyakit.\r\nKamar mandi. Kusabab teu cukup beresih, kerak cai bakal teuas sarta lukut tumuwuh di tempat beueus jadi leueur.\r\nKusabab kecoak resep ngudag sareng ngalebar dina awak (suku). Jeung ngudag teu satengah-satengah, make gaya ngalayang oge. Sareng nalika aranjeunna sumebar dina awak, karasana sapertos rambutna nangtung. Enya memang teh teknik pertahanan diri ti kecoak, lamun urang sieun maranehna sabenerna bakal pindah ka urang. Tapi kuring oge rek ngomong yen enya kitu oge manusa, lamun sieun geus ngawasa diri, sagala pangaweruh jeung teori ngadadak ngejat, leungit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5119", "text": "Basa daftar kuliah, abdi katampi di dua kampus, UIN sareng Unpad. Abdi tadina bingung pisan kedah milih kamana, da duanana ge dipikahoyong pisan. Ngan, abdi ngutamakeun milih Unpad. Alesanna nyaeta sabab ieu teh kampus impian abdi pisan, terus di lembur ge teu acan aya nu pernah katampi Unpad, janten abdi hoyong ngabuktikeun yen urang lembur ge layak neang elmu di kampusnu alus. Jeung deuih Unpad teh relatif leuwih bebas tibatan UIN, tinu segi pakean, kagiatanna, jeung sajabana. Mantak abdi mah harita milih Unpad we supados kapayunna oge tiasa ngajantenkeun abdi diri nu leuwih baik deui, oge leuwih mangpaat jang sasama.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6276", "text": "Unggal diajak ka pasar teh abdi mah sok hoream pisan, sabab sok sagala rupa kaambeu. Komo munka pasarna meuli daging atawa lauk mah, sok mantak seueul kana angen sabab bau hanyir pisan. Mun ngaiwat ka jajaran daging atawa lauk teh abdi mah sok buru-buru jeung bari nutupan irung. Ngambeu bau hanyir teh sok kalah seueul jeung lieur, mantak teu nafsu kana dahar jeung barang gawe. Mantak mendingan abdi mah teu ka pasar we. Mun hoyong daging atawa lauk ge sok meser asak na wae da hoream meresihan atahna mah sabab bau hanyir pisan. Kadang mah malah sok nepi ka ongke-ongkekan mun ngambeu nu hanyir teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2097", "text": "Waktu keur SMA, kuring meunang juara 1 di na rangking sakelas sanggeus mutuskeun asup ka kelas IPS hehe. Soalna budak pinter geus asup ka sains, rata-rata lamun milih jurusan, naek ka kelas XI. Sanes goréng, nalika kelas sabelas jeung keur kelas dua belas kuring meunang juara 1 di kelas, ogé juara paralel, jeung meuli skor pangluhurna pikeun sababaraha mata pelajaran, nya eta sabenerna aya motivasi nu hade sih. Motivasi kuring nyaeta duit. Kusabab duitna lumayan loba lah ker basa eta, juara kelas kahiji meunang 50 rebu, juara paralel meunang 70 rebu, juara per mata pelajaran meunang 20k/30k. Jadi total unggal semester kuring meunang ratusan rebu rupiah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "748", "text": "Dina kamacetan di jalanan, pasti loba jelema nu teu sabaran nepikeun ka ngelakson sababaraha kali. Ieu tah nu matak ambeuk komo mun pas panas-panasna di luar teh. Manehna mah cenah buru-buru, kabeurangan oge deuih berangkatna. Mun geus nyaho kitu, kuduna mah inditna isuk-isuk jadi moal milu mamacetan. Jeung ulah ngaklaksonan ari keur macet teh, da ngaklaksonan oge jalanan moal langsung lancar, malah mah jadi gandeng jeung nyieun batur ambek. Kudu silih ngarti ari di jalanan mah, da bet bongan saha inditna kabeurangan. Unggal pengemudi kudu hormat hiji jeung sejenna, entong papada egois hayang paheula-heula nu tungtungna mah malah beuki macet.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "4406", "text": "Dina harirupan rumah tangga oge aya salah sahiji sakalahan anu beurat pisan fatal pikeun di hampurna nyaeta KDRT (Kekerasn Daklam Rumah Tangga) didinya kaasaup maen lengeun atawa nengeul. Lamun anu geus boga hak geus ngahiji geus nikah oge aya aturan teteup KDRT teh teu bener komo lamun masih keneh dina hubungan bobogohan, eweuh hak na saeutik oge make lengeun keur galakukeun kakerasan di pake nengeul jeung sajabana. Kolot na oge mmoa tega ngagebug an atawa nengeul anak na soragan, nah ari ngan kabogohna wawanianan kawas kitu. Lamun wani kawas kitu pastina kolot na moa tarima jeung nyarekanan. Prinsp kolot teh kan lamun anak na di nyeunyeuri kolot na bakal leuwih nyeri.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6049", "text": "Soang jadi salah sahiji sato nu loba dipikasieun ku jalma, komo mun diinguna di lingkungan imah mah. Soang teh sok nyolodok kana bujur atawa bitis batur. Komo mun nu liwat na nu teu dipika wawuh mah. Loba jalma nu leuwih milih ngahindar ngaliwatan soang tibatan kudu amprok jeung disolodok. Sabab ceunah disolodok soang teh nyeurina kabina-bina, moal cageur sapoe dua poe. Jadi, loba jalma nu mending milih ngahindar da sabab make motor ge kanjat keneh diudag ku soang. Mun geus diudag mah mantak kalap jeung trauma. Mantak sok loba nu rada komplain mun aya nu ngingu soang tuluy diaburkeun teh. Anggursih mah di kandangan soang teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "762", "text": "Mun keur balanja ka pasar, biasana urang, indung jeung adi nu ka pasarna. Umur urang jeung adi teh teu beda jauh, aya kana 1 taunan mah. Tapi urang ngarasa perlakuan kolot urang beda daripada ka adi urang. Mun adi urang aya kahayang nanaon teh pasti dibeulikeun, tempo urang hayang kantong sakola nu anyar teu didenge-denge acan. Padahal kantong mah kabutuhan sakola, jeung mun geus teu dipake ge bisa dibikeun ka adi urang. Tungtungna mah sok ambek, pundung, sok ngahaja lumpat di pasar sanajan keur di kerumunan oge. Tapi ngalakukeun kitu ge tetep teu digugu, malah mah dicarekan pas di imah.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "390", "text": "Pasantren di Cianjur ngajadikeun urang hirup mandiri, euweuh kolot nu mangmasakeun, nu mangnyeuseuhkeun, jeung sajabana. Kabeh gawean nu asalna digawean ku kolot kudu digawean ku sorangan. Harita teh urang masih sakola SD. Didieu urang pasantren sakaligus sakola. Sakapeung mah lamun geus beres ngaji teh sok sono pisan ka kolot teh, harita mah euweuh HP jadi hese rek komunikasi oge. Sok milu ka batur, eta oge ngan sabatas SMS hungkul. Tapi sanajan kitu, bisa ngurangan rasa sono. Komo pernah hiji waktu mah, pas kolot nganteurkeun urang ka pasantren deui. Urang nepika ngudag-ngudag angkot nu ditaekan ku kolot urang. Ku sabab angkotna tarik jadi teu ka udag. Tungtungna urang andiprek di jalan bari ceurik.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4375", "text": "Salian ti ngabogaan bentang alam anu taya duana, Indonésia mangrupa salah sahiji nagara anu ngabogaan loba harta karun. Henteu ngan ukur emas, pérak sareng tambaga, harta karun di Indonésia ogé asalna tina titilar kuno atawa paninggalan paninggalan kuno. Dipikawanoh harta karun di indonesia ngabogaan nilai sajarah anu luhur, nyieun khasanah Indonesia otentik dibanderol kalawan harga fantastis gedena, anu harga na matak ngareuwaskeun sasaha oge anu bisa manggihan na. Kusabab kitu, jadi mindeng kapanggih aya sakeupeulan jalma anu nyoba neangan harta karun titinggal jaman baheula di Indonésia. Upami anjeun kabetot dina moro harta karun di Indonesia, pastikeun anjeun henteu dibawa ka bumi sareng nyumputkeunana sacara rahasia. Pastikeun pikeun geuwat ngalaporkeun ka nagara. Hal ieu lantaran sagala pamaluruhan jeung kapanggihna harta karun atawa benda cagar budaya di Indonésia ditangtayungan ku undang-undang, nya éta Undang-Undang Nomor 11 Taun 2010 ngeunaan Cagar Budaya.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5564", "text": "Basa poe Minggu abdi indit ka pasar nu diayakeunna unggal isuk-isuk poe Minggu hungkul. Abdi kadituna leumpang supaya teu kena macet. Biasana abdi sok mapay heula nepi ka ujung, karek uihna meuli jajanan. Keur leuleumpangan nempoan nu dagang, di hareupeun abdi aya jalma nu mirip pisan jeung babaturan abdi basa SMA. Geus dua taun teu amprok. Ku abdi cobian disauran namina, eh pas ngalieuk teh leres weh eta babaturan abdi. Abdi tuluy ngobrol heula nepi ka puas bari leuleumpangan neang jajanan. Geus beres jajan, abdi jeung babaturan tuluy popotoan supaya aya kenang-kenangan sabab geus lila teu amprok jeung teu apal iraha deui bisa amprokna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6260", "text": "Di sakola abdi mah WC teh aya di dua bangunan. Aya nu di deukeut tangga koperasi, jeung hiji deui di deukeut kelas jurusan bahasa. WC nu di deukeut tangga koperasi mah loba pisan, aya lima kamar mandi jeung lima ruang ganti baju. Kamar mandi jeung ruang ganti baju na teh pahareuo-hareup. Di tengah-tengah na teh aya kaca badag nu katingali ti barang asup. WC na dipisah antara awewe jeung lalaki. Awewe mah ka kenca, lalaki mah ka katuhu. Ngan WC na teh meuni sok bau, tehelna kalotor tapak sapatu, caina ge sering saat. Cai nu dina bak ge meuni kiruh, mantak hoream nyiuk na ge. Mun baralik ti WC teh sok tara dibanjur tapak sapatuna, jadi we sok ngerak warna cokelat taneuh da belok.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6062", "text": "Basa wabah Covid-19 mah seueur mahasiswa nu uih ka lemburna masing-masing. Biasana daerah kostan teh sok rame wae ku mahasiswa, harita mah sepi pisan, jiga kota mati. Nu biasana tukang dagang teh parinuh, ayeuna mah tarutup. Euweuh toko nu buka, sagalana ge sepi teu kaurus, sabab baralik ka lemburna sorangan. Mun neangan dahar ge sok harese sabab euweuh nu dagang pisan. Komo ningali kampus mah jiga nu teu kaurus pisan, hening seketika, euweuh mahasiswa hiji-hiji acan. Nu nyesa teh ngan mahasiswa nu teu bisa balik sabab jarauh. Untungna, loba bantuan ti kampus jang mahasiswa nu stay keneh di kostan sabab teu bisa balik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3349", "text": "Carita jaman harita (Tahun kapengker sareng langkung ti 10 taun, hahaha). Urang diajar soré, sarta éta ampir waktuna balik ka imah sabudeureun 18:30. Matéri ti dosén anu pikaseurieun, ngeunaan sastra klasik. Kulantaran bahanna asik dahar, ruang kuliah pinuh (urang karyawan kelas), lumayan loba jeung ditambahan kelas biasa. Hal ieu ngajadikeun korsi pinuh, malah korsi kuring deukeut jeung meja dosen (kursi jati jeung meja leutik) gigireun kuring, enya, béntang shooting nu jadi béntang dina carita ieu. Di tengah-tengah dosen ngajelaskeun materi, jeung di tengah-tengah hening jeung khusyuk murid-murid ngadengekeun, ujug-ujug aya backsound anu lumayan nyaring “Tttuuuuiiit”….\r\nDina titik ieu dosen eureun ngobrol jeung langsung neruskeun kalimah \"Kuring ngarti anjeun capé, oke, hayu urang rengse rapat ieu ...bla ...bla...\"\r\nJeung nu jadi korban kuring, babaturan kuring ndusel jeung ngéléhkeun kuring, bari nahan sagala nano nano ...\r\nSaparantos dosen angkat, aya seuri sareng bullying ti sakelas….hahahahhaha\r\nNepi ka ayeuna, lamun inget, anjeun masih inget kumaha ambekna anjeun alatan kajadian anu teu disangka-sangka ieu.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4674", "text": "Jam sapuluh peuting urang karek angges ujian pengantar bisnis di kampus, pas geus angges terus kaluar kelas kaayaan sakitar geus sepi pisan eweh sasaha malahan lampuna kabeh di pareuman, aya babaraha hiji anu di hurungkeun palebah tangga, posisi urang aya di lantai 4. Pas turun salantai urang langsung ngadenge sora awewe keur ceurik jeung badena teh sora na ti kelas 403 anu paling piojok, urang langsung lumpat bari ngarasa aya nu nuturkeun urg lumpat di tangga. Sakelebatmah urang jiga nempo aya nu hideng mun pas lumpat di tangga sasakali nempo kaluhur, tapi urang berusaha tenang jeung masa bodo. Pas geus di handap rek kaluar, di parkiran urang lempang sorangan padahal mah motor nu parkir masih aya babaraha hiji. Terus pas jalan kaluar rek nungguan nu ngajemput, urang teh kudu ngaliwatan gang tapi teu sempit rada lega cuman emangna ge poek pisan. Teu kahaja urang teh nepo kaluhur genteng rumah kosong gigireun kampus, eh di pohon asemna urang nempo kunti keur mondar-mandir bari ngelus-ngelus bu'ukna, urang didinya kasieunan terus langsung maca doa sagala rupa bari leumpang buru-buru. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4431", "text": "Basa poe kemis kamari urang nganter adi meuli hape anyar ka toko, aya barudak oge kaciri na mah budak SMA datang ka dinya rek milih milih hape. Barudak eta datang babarengan aya limaan awewe kabeh sigana mah maranehna babaturan anu rek nganter babaturan na meuli hape. Di toko hape eta, maranehna sibuk diskusi milihan erek meuli hape anu siga kumaha. Saenggeus milihan hape anu kumaha akhirna di beuli hape anu harga na mahal, tapi aneh na pagawe didnya lain na resep kusaba hape na payu tapi kalah ka merengut, asa nyepelekeun yen barudak eta teh bisa mayar hape na. Patugas didinya tuluy we nananyakeun yen bener rek meuli hape ieu kusabab hape na mahal siga anu ngarendahkeun pisan. Palayanan nana ka barudak eta oge beda, ari kabatur di titah diuk bari di bere cai ari ka barudak eta mah asa kucem wae beungeutna teh. Lila kalilaan barudak eta akhirna ambek kusabab di perlakukeun teu adil jeung pembeli anu lan padahal maranehna oge sarua rek meuli, maranehna ambek bari nunjukeun duit na hareupen pagawena tuluy mangat ninggalkeun toko.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6361", "text": "Basa nuju ospek jurusan, pas pembagian kelompok teh abdi ningali jalmi nu mirip pisan jeung babaturan abdi. Cara make tiingna sarua sok tiung segiempat, bajuna ge modelna sarua sok make gamis, tuluy frame jeung bentuk kacamata na ge sarua. Postur awak jeung cara leumpang na ge mirip pisan. Gerak gerik na ge meuni persis babaturan abdi. Pas digeroan ngaran, eh ngalieuk, tapi lain babaturan abdi, raray na beda. Abdi langsung cicing we da era sabab salah ngageroan jalma. Sugan teh heueuh babaturan da sagalana sarua, eh pek teh batur nu mirip persis hungkul. Untung awewe deuihan jadi teu pati era.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "211", "text": "Basa harita SMA, aya ujian tengah semester. Urang jeung kabogoh urang diajar bareng. Manehna jago pisan pelajaran ekonomi. Jadi urang inisiatif menta manehna pang ngajarkeun di kelas lamun waktu istirahat. NInggali urang diajar ekonomi, babaturan nu sejen ge hayangeun. Tungtungna nu diajar bareng teh jadi 5 orang. Ari urang mah resep weh sabab jadi loba batur. Pas waktuna UTS, urang percaya diri sabab geus diajar bener-bener. Soal ujian oge ku urang dieusian gancang, sabab karasa babari. Beres UTS tinggal nungguan hasil. Tiap mata pelajaran dibagikeun nilaina, alhamdulillah urang lulus jeung meunang hasil nu maksimal. Nu urang rada kaget pas upacara poe Senen, diumumkeun saha wae nu nilaina gede sacara kaseluruhan ti kabeh kelas. Teu disangka-sangka urang asup ka 10 besar nilai nu paling gede. Didinya urang ngucap alhamdulillah sabab usaha urang teu sia-sia.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "662", "text": "Loba jajaneun anu berhadiah, ti mulai permen, ciki-cikian, jeung jajaneun nu sejenna. Baheula mah bisa keneh ka tebak mana nu aya hadiahan jeung mana nu henteu, biasana mun nu hadiahan mah eusiana rada beurat. Ku urang sok dikocok-kocok heula ciki teh, da mun aya barang dijerona sok karasa ku ramo leungeun. Harita mah keur rame-ramena ciki jaguar, pas ku urang kocok-kocok cikina ieu mah beurat pisan jeung karasa benturan kana ramona teh. Pas dibuka reuwas eusina teh jam tangan. Urang ngajorowok atuh nu keur alulin teh nyalampeurkeun da panasaran. Tungtungna mah maranehna oge meuli cikina, jeung sarua ngocok-ngocok keun heula ngecekan aya hadiahna henteuna. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8479", "text": "Rarasaan ragrag kana solokan kotor teh tiasa pisan nyieun teu nyaman sarta teu higienis. Cai kotor tiasa ngandung bakteri sareng mikroba anu ngabahayakeun pikeun kasehatan sareng mangaruhan sistem imun. Loba jalma bakal ngarasa teu nyaman jeung bisa ngarasa teu damang sanggeus ragrag kana cai kotor. Hade pisan mun eta ulah asup kana cai kotor jeung salawasna merhatikeun kualitas cai samemeh ngojay atawa mandi. Upami anjeun kedah murag kana cai anu kotor, geura bersihkeun sareng ganti baju sareng gosok leungeun anjeun nganggo sabun. Lamun ngarasa gering atawa teu damang sanggeus ragrag kana cai kotor, geuwat buka dokter pikeun mastikeun kaayaan kasehatan anjeun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2874", "text": "dina Al Qur'an Surah Muhammad ayat 27 anu hartosna \"Kumaha (nasib maraneh) upama malaikat (maot) nyabut nyawa maraneh, neunggeul beungeut jeung tonggong maraneh?\". Tina ayat ieu, ditafsirkeun kumaha nasib jeung kaayaan maranéhna lamun Malaikat Maut datang nyokot nyawa maranéhanana dina cara goréng jeung dahsyat? Dina momen jiwa dicokot malaikat ngusir roh maranéhanana telenges sarta terus ngéléhkeun beungeut jeung tonggong maranéhanana salaku hiji hinaan? Kaayaan jalma munafik dihina jeung sangsara dina nyanghareupan maot. Islam ngajarkeun yén aya kahirupan sanggeus maot, sarta ieu dipikawanoh salaku Akherat. Dina Islam, Allah anu mutuskeun nalika hiji jalma maot sarta lolobana Muslim yakin yén nalika maranéhna maot, maranéhna bakal tetep dina kuburan maranéhanana nepi ka Yaumul-din, Poé Kiamat. Dina poé éta, maranéhna bakal dihirupkeun deui tina kuburan maranéhanana sarta dibawa ka payuneun Allah sarta dihukum dumasar kana kumaha maranéhna hirup di bumi. Kapercayaan ieu katelah kebangkitan awak. Jalma anu leuwih loba amal kahadean ti batan goreng bakal asup Jannah atawa Surga.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6398", "text": "Basa dikelas euweuh sasaha, abdi nyanyanyian meuni jongjon bari gogorowokan. Pas keur ngeunah nyanyi, abdi ngalieuk make gerakan ka jandela. Eta abdi meuni kacida reuwasna sabab aya Pak guru nempokeun abdi bari nyengir. Jigana mah Pak guru teh geus lila aya didinya terus nempokeun abdi nu nyanyanyian sorangan jiga nu gelo. Abdi kacida isinna harita, meuni langsung salah tingkah da asa kaeraan ku polah sorangan. Untungna Pak guru teu loba ngomong ka batur, ngan seuri hungkul. Abdi di kelas salila diajar ku anjeunna teh meuni pupurungkutan da isin. Mun ningali wajah abdi teh anjeunna sok seuri wae, meureun ingeteun kana kajadian tadi.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5694", "text": "Basa nuju ngiringan kepanitian di kampus, abdi kabagean jadi staff divisi sponsorship. Tugas jeung tanggung jawab abdi teh nyaeta neangan sponsor jang pendanaam proyek kagiatan. Biasana aya dana ti kampus jeung ti pihak eksternal. Tah sabab dana nu dibutuhkeunna gede, jadi kudu neangan sponsor nu bisa nyukupan kabutuhan dana. Pas abdi bade nyurvey kerja sama, eh babaturan abdi jol we hayang ngiring, padahal teu sadivisi. Ku abdi diajakan we. Eh pas presentasi dihareupeun ketua proyek, jol we manehna so tau nepikeun sagala hal nu dibahas basa kerja sama jeung sponsor. Abdi meuni keuheul sabab manehna cari muka bari nepikeun informasi nu teu valid. Jengkel pisan, abdi tuluy we menta pengajuan pindah divisi.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "723", "text": "Manehna ijin ulin jeung babaturanana rek ulin ka hiji tempat anu keur viral. Sabab ngabebaskeun jadi mun rek kamana wae bae, asalkeun ijin ngameh nyaho keur kamana-manana jeung saha-sahana. Da dinu pikiran mah lain sieun salingkuh tapi sieun bisi aya nanaon di jalanna. Kabeneran nu inditna teh tiluan, nu hiji lalaki babaturan kabogoh, nu hiji deui awewe babaturan di lembur. Dibere nyaho ku babaturan nu di lembur, mun kabogoh teh rada aneh, gerak-gerikna oge. Maenya cenah ngobrolna teh romantis bari sayang-sayangan. Langsung nyusul ka tempat ulinna bari teu pikir panjang, molotot sabari nyuntrungkeun salingkuhanana. Nu kaluar mmiti dina omongan teh, \"Ari sia eta teh apal teu kabogoh batur?'. sabari ngeupeulkeun peureup tanda rek nonjok jeung ngajak gelut.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6384", "text": "Maling teh jadi salah sahiji hal nu goreng pisan mun dilakukeun. Komo maling barang nu berharga pisan mah, mantak ngarugikeun batur. Biasana di Indonesia mah maling teh sok dilakukeun ku saha wae, ti umur remaja nepi ka geus kolot, da sabab kadesak ku kabutuhan tea. Tah nu parah na teh mun geus kanyahoan, tara langsung diasongkeun ka polisi supaya ditindak sacara hukum, tapi sok dihakimi heula ku masyarakat sabab dianggap ngarugikeun pisan. Malahan bareto mah sok aya nu nepi ka diduruk make ban ku masyarakat. Tah kuduna hal ieu jadi cambuk jang leuwih hade, ulah ngalaksanakeun deui hal goreng eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7563", "text": "Lantaran unggal poe mineng nganggo angkutan umum, abdi oge ka mamana kedah mapah, teu jarang oge abdi kedah meuntas di jalan badag. Untungna di sababaraha tempat tos aya jembatan kanggo meuntas, janten teu kedah sieun katabrak ku kandaraan anu ngaliwat, komo lamun di jalan raya jeung di jalur gancang mah pasti kandaraan teh ngararebut. Tapi kanggo sababaraha urang, meuntas di jembatan teh sieun lantaran jangkung pisan jeung sieun lamun ningal ka handap. Abdi oge sok sieun, komo pernah hiji poe basa abdi nuju meuntas di jembatan, abdi ningal aya nu kacilakaan di handap pisan. Abdi langsung ngaderegdeg bakating ku sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4387", "text": "Saha anu teu ambek ambekan lamun geus cangkeul, geus hese hese antri lila meakeun waktu demi nurutkeun paraturan anu aya eh nyaho nyaho di sorobot batur. Kalakuan kieu teh kalakuan anu goreng pisan, teu sopan jeung teu boga etikakomo anu di orobot teh jelema anu geus kolot. Sanajan kadenge sepele, tapi hal ieu teh penting pisan, lantaran budaya ngantri sacara teu langsung bisa ngagambarkeun kapribadian bangsa urang sarerea. Budaya antri kudu na geus di ajarkeun cara tegas ti budak leutik keneh di sakola, sangkan geus gede na busak teh teu boga kabiasaan sorobot atrian deui, kusabab kabiasaan ieu saliah ngajieun masalah oge ngera ngera generasi na.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5256", "text": "Taun kamari, Lulu teu katampi di universitas impian nana. Lulu oge nyobian daftar ka kampus sejen, tapi teu lolos oge. Tah taun ayeuna Lulu nyobian deui daftar ka sababaraha kampus lewat jalur SBMPTN jeung jalur mandiri. Pas pengumuman SBMPTN, Lulu gagal keneh wae, acan katampi di universitas mana-mana. Terus Lulu nyobian deui jalur mandiri. Tos sababaraha kampus teu acan aya nu narima Lulu janten mahasiswana. Lulu narasa gagal deui wae, sedihna kaliwat pisan. Kecewa sabab sagala perjuanganna asa sia-sia. Lulu sempet teu kersa emam dugi ka tilu dinten. Pikiranna kalut, rasa sedihna kainget wae dina pikiranna. Awakna rada kuru da mikiran wae hoyong kuliah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2863", "text": "Aya seueur téori ngeunaan panyababna fobia, salah sahijina numutkeun Gunawan taun 2006 nyarios yén kalolobaan fobia kabentuk ngaliwatan dua prosés.Prosés kahiji nyaéta acara sensitizing batur jadi sénsitip) jeung prosés kadua ngaktipkeun acara (acara aktivasina). Anu ngabalukarkeun phobias séjén nyaéta kajadian hal pikasieuneun anu lumangsung di budak leutik. sajaba ti éta bisa disababkeun ku kolot ninggalkeun barudak nyalira dina umurna ngora pisan. Pikiran sadar teu inget kajadian bari pikiran teu sadar inget kana kajadian. Mémori ieu bisa ngabalukarkeun kahariwang di sababaraha urang. Salian ti éta Sajaba ti éta, para ahli ogé nyangka yén phobia bisa lumangsung alatan faktor genetik sareng trauma", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9180", "text": "Abdi mangrupikeun jalma anu resep ngobrol, khususna nalika nyarioskeun hal-hal anu kuring resep sapertos hobi, tuangeun, musik, sareng sajabana. Tapi aya hiji hal anu paling kuring benci nalika kuring ngobrol sareng jalma sanés, nyaéta kadang-kadang nalika éta jalma bungah nalika nyarios, ciduhna sok muncrat sareng kadang-kadang beunang raray atanapi leungeun kuring. Baheula kuring osok ngobrol jeung babaturan kuring, ayeuna babaturan kuring jadi bungah lamun manehna ngabejaan carita nu kaalama ku anjeunna, tapi lamun anjeunna ngobrol sok muncrat wae ciduhna, utamana dina waktu anjeunna ngobrol bari dahar. Sareng nalika kuring ngupingkeun anjeunna nyarios, kuring rada ngajauhan sabab kuring kantos keuna ku ciduh sareng anjeunna sadar yén teras menta hampura, kuring nyarios henteu kunanaon sanaos dina jero haté kuring ngarasa jijik pisan ku ciduhna. Sanggeus ngobrol, kuring langsung ka kamar mandi pikeun ngabersihkeun leungeun kuring anu kecipir ku ciduh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5710", "text": "Lamun meunang pelayanan nu teu geunah, urang berhak ngalaporkeun nana. Kantos harita abdi ka alfamart, kasirna teh judes pisan, harga diskon oge teu dipotong, malah dipasihan harga normal, terus teu dibere struk deuih. Abdi kesel sabab asa ditipu, tuluy abdi nanya we ka kasirna soal harga diskon, tapi jawaban na teu paruguh, ngelak wae. Abdi kesel pisan sabab lumayan gede potonganna, tuluy ku abdi adukeun we ka kepala tokona. Adukeun sagala keluhan abdi bari ngobrol, terua abdi menta solusina we. Geus kitu teh kepala tokona menta damai, nya abdi daek damai asal eta pelayanan na sing bener, tong ngarampok jiga kitu patut sabab ngarugikeun pisan ka pelanggan alfamart.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5540", "text": "Tilu tips supaya urang sehat jeung dijauhkeun tina sagala rupa panyakit. Nu kahiji nyaeta terapkeun pola hirup sehat, lobakeun makan nu bergizi, lobakeun konsumsi buah jeung sayur. Hindari dahareun anu ngandung minyak berlebih jeung dahareun nu ngandung lemak berlebih. Nu kadua nyaeta rajin olahraga supaya bisa ngajaga kabugaran fisik jeung mental. Salian jeung kasehatan fisik, olahraga ge bisa ngaproduksi hormon endorfin nu mantak mawa perasaan bahagia ka urang. Tah olahraga teh alus pisan mantakna jang kasehatan. Nu katilu nyaeta pola makan anu teratur. Atur jam makan teh penting supaya urang konsisten dina jam makan jeung konsisten dina asupan gizi kana awak urang. Tah hal-hal ieu teh bakal ngajadikeun awak urang sehat jeung jauh tina panyakit.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9169", "text": "Kabiasaan ucing lamun ningali tumpukan taneuh loba, pasti bakal diapke modol di dinya. Waktu harita kuring rék nyieun imah ka luhur, lantaran kamarna teu cukup. Jadi di hareupeun imah teh aya tumpukan taneuh anu kacida luhurna. Biasana barudak leutik di komplek oge resep ulin ka taneuh didinya. Waktos éta adi kuring keur milu ulin di taneuh didinya, kuring nitah manéhna kudu ati-ati, sabab loba tai ucing, tapi manéhna teu daék ngadéngékeun. Waktu keur ngumbah piring, ujug-ujug manehna balik ka imah bari ceurik. Ceunah basa keur nggaali taneuh leungeunna beunang tai ucing, tuluy aya nu asup kana kukuna oge. Kuring jijik pisan ningalina. Kuring nitah manéhna ngumbah leungeun di jamban, make sabun jeung colek lima kali ameh kokotor jeung bauna leungit. Saatos éta bersih kuring motong kuku manehna sarta ngawartoskeun manehna ameh teu maén dina taneuh deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6933", "text": "Lulus ti SMA, abdi di gaduh cita-cita hoyong kuliah di luar negeri. Ti pas janten budak SMA keneh abdi tos milarian info ngeunaan kuliah di luar negeri. Mulai ti info beasiswa nepi ka biaya kanggo hirup di luar negeri. Tiap pere semester abdi teu pernah ngaliwatkeun waktos kanggo diajar bahasa Inggris, lantaran eta mangrupakeun salah sahiji modal anu paling penting kanggo kuliah di luar. Abdi oge tos tataros ka batur anu meunang beasiswa LPDP nepikeun ngadamel catetan anu seeur pisan ngeunaan info beasiswa eta. Taun ieu abdi nyobian daftar ka hiji kampus di Australia anu tos dibuka, tapi pas tos katarima di kampus na abdi teu lolos LPDP.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5931", "text": "Mun keur ngalami kacilakaan mangrupa pembegalan, komo nepi ka ditodong senjata mah, kudu inget kana kasalametan diri sorangan. Ulah nepi ka ngesampingkeun kasalametan demi barang berharga. Hal nu kudu dilakukeun teh nyaeta kahiji, turutan naon nu dipikahayangna. Misalkeun hayang dompet atawa hape, tinggal berekeun we teu kudu make ngalawan mun teu mampu mah. Nu kadua nyaeta tong nepi ka ngaprovokasi si pelaku jang ngalakukeun hal nu buruk ka diri urang, cukup cicing we da teu bisa kukumaha. Tah mun pelaku geus indit, karek we urang nyalametkeun diri sorangan ku cara neangan bantuan. Sabab mun ngalawan ti mimiti pisan mah bakal bahaya ka urangna, da pelaku kajahatan mah sok nekad ngalakukeun naon wae ka batur. Mantak kudu merhatikeun kasalametan sorangan demi kahareupna bisa keneh hirup.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2854", "text": "Kapamilikan senjata api sacara umum diatur dina Undang-Undang Darurat Nomer 12 Taun 1951 anu sifatna kriminal. Pasal 1 ayat (1) UU Darurat No. 12 Taun 1951 nyebutkeun: \"Sing saha, tanpa hak asup ka Indonésia, ngajadikeun, narima, nyoba pikeun ménta, nyerah atawa nyoba nyerah, ngadalikeun, mawa, boga bekel dina dirina atawa boga milikna, nyimpen, ngangkut, nyumputkeun, ngagunakeun. atawa mawa kaluar ti Indonésia senjata api, amunisi atawa bahan peledak, dihukum hukuman pati atawa panjara saumur hirup atawa panjara samentara maksimum dua puluh taun.\" Ngeunaan kepemilikan senjata api anu dipihukum ku kajahatan mulai tina ngadamel senjata api dugi ka ngaluarkeun ti Indonésia. Lamun kailikan senjata api di luhur dilaksanakeun tanpa hak (tanpa hak hukum, mangka digolongkeun kana kajahatan) mangka sanksi kriminal bisa dihukum dina bentuk hukuman pati, hukuman panjara saumur hirup, atawa panjara nepi ka 20 taun.Tanpa hak salaku kualifikasi pikeun undang-undang ancaman kriminal di luhur, éta ogé bisa dihartikeun salaku kalakuan nu teu sah dina kasus kriminal. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2894", "text": "Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), harti kecap bullying nyaéta prosés, cara, tindakan bullying anu bisa dihartikeun salaku jalma anu ngagunakeun kakuatan pikeun nganyenyeri atawa nyingsieunan jalma anu leuwih lemah batan manéhna. Biasana ku cara maksa manéhna ngalakukeun naon anu dipikahayang ku palaku. Harti séjén tina bullying nyaéta harti kecap dina basa Inggris, nyaéta bully. Aya ogé numutkeun UNICEF yén Bullying mangrupikeun pola tingkah laku, sanés kajadian anu sakali-kali. Barudak anu ngabully biasana asalna tina status sosial anu leuwih luhur atawa kalungguhan kakawasaan, saperti budak anu leuwih gede, leuwih kawasa, atawa dianggap populer sangkan bisa nyiksa jabatanana. Barudak anu paling résiko dibully seringna murangkalih ti komunitas marginal, murangkalih ti kulawarga berpendapatan rendah, murangkalih anu béda dina penampilan atanapi ukuran, murangkalih cacad, atanapi murangkalih migran sareng pangungsi.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7795", "text": "Basa bade ka cai kanggo ngumbah lengeun, abdi ningal dina jamban aya utah urut batur anu teu acan dibanjur, asalna mah kuring teu nyadar aya utah dina lobangna, tapi lantaran kuring bade miceun cai di lobang wc, karek kuring nyadar aya utah urut batur anu teu acan dibanjur. Ningal dina warnana mah jiga nu nembe pisan, tapi teu lila bau na kaluar. Abdi teu kiat pisan ngambeuna, kapaksa abdi nutup jamban eta lantaran teu kiat kana bauna. Tungtungna mah abdi buka deui eta kamar cai teras disemprot ku parpum anu seungit teras dibanjur ku cai anu loba pisan nepikeun leungit. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8964", "text": "Waktu kuring leutik, kuring jeung dulur kuring biasa ulin ka kebon aki. Jaman harita mah urang teh cape pisan sanggeus ulin udag-udagan di kebon aki, jadi weh haus. Di dinya katembong aya keran cai jeung selangna masih nyambung, kuring jeung dulur kuring langsung nginum cai ti dinya. Sanggeus puas nginum, urang ngagunakeun cai pikeun ulin cai bari udag-udagan deui. Réngsé ulin, ujug-ujug keran cai teh teu bisa ditutup deui. Kuring jeung dulur kuring bingung kedah kumaha, dicepeng ku dangdaunan ge teu eureun-eureun eta cai kaluar. Utamana sakedap deui geus sore, tungtungna kuring jeung dulur kuring nyoba nutupan eta sabisa mungkin sanajan cai masih kaluar. Ku sabab sieun dicarékan ku aki, ku kituna urang henteu ngabéjaan ka aki nepi ka ayeuna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5308", "text": "Saur abdi mah, janten anak rantau teh salah sahiji cara supaya urang tebiasa jeung kahirupan nu sabenerna. Di kahirupan sabenerna mah urang moal bisa terus-terusan bergantung ka orang tua, pasti aya waktuna bakal mandiri. Tah, ku ngaranta ieu teh salah sahiji cara supaya urang tebiasa mandiri jeung terbiasa ngamanage sagalana sorangan, termasuk neangan duit. Mun jadi anak rantau mah, pait peurih kahirupan teh kaasaan sorangan. Jadi bakal moal tega deui nyusahkeun kolot teh. Komo mun kolotna nu saderhana mah. Jadi, tong era jadi anak ranta, teangan pangalaman saloba-lobana. Kudu jadi pribadi nu mandiri jeung kuat nu teu bakal bergantung ka batur.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2546", "text": "Baheula waktu kuring keur SD, salila 3 taun kuring dihina fisik malah guru kuring oge ngahina fisik kuring, sakali dicaritakeun \"kamu datar kaya triplek\" \"ah, keur leutik maneh geus gering na. gering\" \"suku anjeun lempeng kawas kai\" \"barang ceking kotor\". Teu eureun didinya.SMP salila 2 taun dihina fisik ku ampir 1 kelas ngahina ka kuring.Kabeneran pas keur SMP aya riwayat pneumonia samemeh kaserang panyakit,beungeutna aman,tapi sanggeus Abdi katarajang panyakit, raray abdi jarawat parah.sisi obat. Waktu éta kuring dibéjaan \"punten awon pisan\", \"astaughfirullah, naha raray anjeun bisul sadayana hahaha\" \"yeuh kalam utah ningali beungeutna\" \"perlakuan éta jijik kuring ningali éta\" rating kuring turun tina 2 nepi ka 17. Kuring ngarasa handap hayang kaluar sakola jeung nyewoot sajadi-jadina.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8188", "text": "Jalma ngarasa sieun nalika kaancam sabab ancaman memicu respon \"fight or flight\" awakna, anu nyababkeun awak siap-siap ngalawan atanapi kabur tina bahaya. Jalma anu geus ngalaman pangalaman goreng atawa traumatis kaliwat, kayaning kekerasan atawa nyiksa, condong jadi leuwih fearful lamun kaancam. Kaayaan kasehatan mental atawa fisik, kayaning gangguan kahariwang atawa panyakit jantung, bisa ningkatkeun sieun hiji jalma tina ancaman. Faktor lingkungan, sapertos tekanan ti kelompok sosial atanapi kekerasan di lingkungan sakurilingna, tiasa memicu rasa sieun dina hiji jalma. Anceman kuat atawa sengit bisa nyieun hiji jalma ngarasa pisan sieun sarta ngalaman respon fisik jeung emosional kuat. Perasaan sieun nalika kaancam mangrupikeun respon anu normal sareng sehat dina kaayaan anu nyauran respon \"fight or flight\". ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4045", "text": "Geus lila urang hayang meuli sendal, hayangna sendal anu aya di mall. Sendal di mall mah rada aya hargana tapi awet pisan, pas balik gawe urang langsung ka mall nempoan sendal akhirna saengges nempoan kabeh sendal aya hiji sendal anu ku urang resep. Hargana teh saratus lima puluh rebu, urang ngan aya duit tujuh puluh rebu, karna teu mahi ujungna mah urang balik ka imah. Terus urang nyieun tatabungan di buku, jadi unggal gajihan kudu nabung sakeur meuli sendal. Sabulan teh urang gajihan tilu kali, pas gajihan kadua urang langsung bisa meuli eta sendal, untungna masih aya keneh. Urang langsung meuli, terus pas nepi imah eta sendal di papake wae da atoh bisa meuli sendal make duit sorangan hasil ngumpulkeun. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2563", "text": "Ngabogaan pasangan selingkuh mangrupa salah sahiji pangalaman paling nyeri hiji jalma bisa boga. Ieu nyeri pisan pikeun anjeun, sareng teu aya ubar, bahkan obat penghilang nyeri anu paling kuat, anu tiasa ngaleungitkeun nyeri sapertos kitu. Sanaos pasangan anjeun parantos hapunten, kaduhung naon anu aranjeunna laksanakeun, sareng naroskeun kasempetan kadua, sabab anjeun henteu percanten ka aranjeunna, anjeun alamiah ngarasa bingung pikeun ngatasi masalah kapercayaan saatos ditipu. Tapi ieu lain hartosna nyeri haténa leungit. Ngaluncurkeun halaman Tango anjeun, meunangkeun deui kapercayaan mangrupikeun pilihan anu anjeun kedah satuju sareng pasangan anjeun kedah janji yén aranjeunna bakal kerja keras pikeun meunangkeun deui kapercayaan anjeun.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5573", "text": "Mun aya babaturan nu keur geuring, urang sabisa mungkin kudu ngalongok sebagai rasa nyaah urang jeung rasa paduli urang ka babaturan. Sabab babaturan mah moal aya tapakna, nepi ka iraha wae ge pasti inget jeung nyaah. Tong jadi kumaki sabab geus sukses, malahan mah urang teh kudu bisa ngajait babaturan oge dina ngaraih kasuksesan. Mun bareto pernah aya kajengkel, sok ayeuna mah geura pohokeun da geus sarua dewasa ayeuna mah. Jeung mun babaturan geus pupus mah bakal kacida kaduhungna komo mun nepi ka teu pernah amprok heula mah samasa hirupna. Kudu inget ka babaturan teh, ulah joledar komo sombong atawa kumaki mah!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2523", "text": "Abdi nampi email ti Yayasan Sehati, dina bentuk hatur nuhun sabab parantos janten donor. Dina ultah kuring, salaki kuring masihan kuring kejutan. Anjeunna nyumbang ka yayasan nyalametkeun sato Sehati atas nama kuring. Abdi leres-leres henteu nyangka salaki kuring gaduh ide anu mulya sapertos kitu, sareng dina waktos anu pas. Hiji kejutan kuring moal poho. Yayasan Sehati mangrupikeun yayasan perawatan sato, khususna peternakan, anu munggaran di Indonésia. Badan Pusat Statistik (BPS) nyatet jumlah populasi sapi di Indonésia bakal aya 18,05 juta dina taun 2021. Angka ieu 3,52% leuwih luhur ti taun saméméhna 17,44 juta ekor. Ningali tren dina dasawarsa, jumlah sapi potong di Indonésia parantos turun dina taun 2013 janten 12,69 juta sapi. Sahati ngausahakeun yen sato ternak teh di urus bener-bener, nalika can di pateni.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5706", "text": "Abdi ngarasa jengkel pisan ka petugas nu nilang abdi di jalan. Teu puguh-puguh abdi dieureunkeun jeung dipariksa susuratan. Biasana mun aya tilang teh sok aya papan pemberitahuan, ieu mah teu aya. Tuluy abdi susuratan lengkap, motor lengkap, kabehna sasuai jeung peraturan. Tapi ditilang keneh sabab tutup pentilna teu ayaan ceunah. Abdi kesel pisan ka petugas tilangna, sabab dipenta acis lima puluh rebu. Mun teu mayar teu bisa leupas ceunah. Abdi jengkel pisan tuluy we motokeun ngaran-ngaran petugasna sabab kaasup pungli ieu mah. Beres kitu teh abdi debat we salila lila jeung petugas sabab da ngarasa bener. Nepi ka akhirna dileupaskeun we.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6969", "text": "Dinten ieu janten dinten kahiji abdi damel di toko anyar. Abdi dipasihan tugas nyeta janten kasir jeung ngaberesan barang-barang. Tapi sateuacan jadi karyawan kontrak di dieu, abdi kedah ngalakukeun percobaan heula salila saminggu, lamun sae abdi tiasa lajeng damel di dieu. Tapi lamun abdi ngalakukeun kasalahan, abdi mola tiasa lajeng deui damel di dieu. Hanjakal di poe kahiji abdi teu kahaja mepeskeun botol minuman anu bade dilebetkeun ka kulkas. Abdi langsung ngaberesan jeung kapaksa kedah mayar ganti rugi, untungna ngan dua botol hungkul. Pas laporan ka atasan, manehna ngan masihan peringatan, lamun sakali deui abdi ngalakukeun kasalahan,abdi bakal langsung dierenkeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "649", "text": "Mun dianteurkeun ku batur ka stasiun jang naek beus, leuwih alus mah ulah waka balik nu nganteurkeunana. Bisina beus nu ku urang rek ditaekan teh geus mangkat, mun kasusna kawas kieu pan jadi riweuh, mun ngudag-ngudag ge rada hese komo barang bawaan urang loba bari mawa koper mah. Jadi sahenteuna bisa dianteurkeun, eta oge mun beusna masih keneh ka udag, misalna can asup tol. Tapi biasana beus ti stasiun ka tempat asup tol tara tarik, sok lalaunan, meureun aya 15 menitan sanajan asup tol kuduna 5 menit oge geus nepi. Mun reuwas tapi ulah nepikeun panik, engkena pas ngudag beus bisina teu ka udag malah aya masalah nu sejen.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5945", "text": "Mamang abdi teh tos lima bulan teu damang kritis sabab kanker kelejar getah bening dina beuheungna. Malahan mah nepi ka salila lima bulan teh teu bisa pisan kaasupan dahareun, ngan cai hungkul jeung dahareun nu dilumat. Tah poe kamari teh pupus ngantunkeun. Abdi nungkulan oge sabab sakalebeh kulawarga ngarumpul nyaksian. Samemeh maotna teh anjeunna ngagoler bari geus teu daya, ngan tinggal nafasna hungkul nu hirup teh. Tuluy ku sakulawarga diyasinkeun supaya dipermudah. Beres diyasinkeun teh alhamdulillah tiasa ngahempas nafas terakhirna bari nyora eling ka Allah. Abdi nembean pisan nyaksian nu maot, tapj alhamdulillah teu hese dina ngaleupas nyawana. Sagalana dibere kalancaran ku Allah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5687", "text": "Basa nuju jalan-jalan di Jakarta, abdi nyobian jajan di kulinery night. Abdi ngahaja indit nyalira supaya jongjon. Pas nuju ngantri meser jajanan, abdi jol we ditoel tasna ku bapak-bapak di gigireun abdi. Tuluy jol ngomong yen abdi pakean na kurang mantes, heboh teuing, tiung nu dipake ge butut teu pantes jeung bentuk raray. Abdi kesel pisan ngadanguna, sabab anjeunna ngomong dihareupeun loba nu ngantri oge. Tuluy anjeunna ngomong deui yen abdi salaku muslimah teh sok nyieun oenasaran para lalaki. Abdi makin jengkel didinya, hate abdi geus teu pararuguh, antara kesel jeung sieun. Abdi teu pati nanggapi, tuluy indit we ka tempat sejen. Aneh, aya jalma nu jiga kitu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "8508", "text": "Hiji poe, saurang murid nu ngaranna Ali keur ngobrol jeung babaturanana di kelas. Ujug-ujug, Ali nyieun kasalahan bari nyarita jeung babaturanana mimiti seuri kaluar nyaring. Ali ngarasa era pisan sarta nyoba nyumput di tukangeun meja na. Anjeunna ngarasa pisan teu nyaman jeung hariwang ngeunaan naon babaturanana bakal pikir ngeunaan manehna. Sanajan kitu, sanggeus sababaraha waktu, Ali sadar yen naon anu anjeunna lakukeun salah teu bener hiji hal badag. Anjeunna nyobian teu mikir ngeunaan respon batur sareng museurkeun kana dirina. Manehna nyoba tetep tenang jeung ngobrol jeung babaturanana saperti biasa. Ahirna, Ali mimiti ngarasa hadé tur bisa neruskeun poena dina karapihan. Manehna sadar yen kasalahan teh ilahar jeung babaturanana bisa poho ngeunaan eta. Anjeunna oge nyobian ngarawat dirina oge sareng ngahargaan dirina.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1111", "text": "Mun ditutur-tutur ku batur nu teu dipikawanoh, biasana urang nelepon babaturan. Atawa mun keur di karamean mah siga di mall biasana sok aya petugas kaamanan nu jaga, tah urang sok nyampeurkeun petugas eta jang ngadugikeun keresahan jeung teu nyaman pedah aya nu nutur-nutur. Biasana ieu cara ampuh, komo deui pas ditunjukeun jelemana. Tapi lolobana mah pas ninggali urang keur ngobrol jeung pihak petugas kaamanan, nu nuturkeun tadi teh sok tiba-tiba ngaleungit berbaur jeung batur. Tapi mun enggeus dikitukeun biasana tara nuturkeun deui, malah mah teu panggih deui jeung manehanana. Da manehna oge sieuneun mun geus mamawa petugas mah, soalna engkena berurusan jeung pihak berwajib.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4675", "text": "Basa poe kamis indung jeung bapak aya pagawean kaluar kota, jadi urang di tinggalkeun sorangan da emangna ge budak tunggal teu boga adi jeung lanceuk. Biasana urang tara sieun mun di imah sorangan, tapi keur eta mah ujug-ujug kasieunan. Pas jam sapuluh peuting urang nempo tatangga mangkat teuing kamana, ngajadikeun makin sepi jeung paroek. Bulu kuduk urang karasa kubanding sieun, terus urang dahar telor dadar jeung sangu anu geus di sadiakeun si mamah samemeh mangkat. Angges dahar urang ka dapur rek nyuci piring, ai jol teh aya sora awewe seuseurian tapi urang teu nyaho sorana dimana. Teu lila aya anu ngagebrageun kaca dapur, awalna urang teu nyaho eta nu beureum teh kunti ku sabab panon urang rada minus, jadi ku urang di deukeutan terus di deulekan rada lila ai heug teh kunti anu make baju beureum. Harita keneh urang langsung lumpat ka kamar bari jeung ngadegdeg kasieunan, nepika teu jadi nyuci piring. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5216", "text": "Basa bapak damel keneh mah, unggal uih damel teh sok meser sop buah atawa buah-buahan na. Komo mun beres gajihan mah sok meser fried chicken. Ayeuna mah semet bapak kena PHK, kabiasaan eta teh jarang dilakukeun. Ema sapopoe ge saderhana hungkul, tara manggih sop buah, tara manggih bungbuahan, kur manggih sangu hungkul jeung deungeun na nu saderhana. Biasana unggal minggu ka pasar kaget meuli cocooan, ayeuna mah unggal minggu teh beberes imah we. Tara kaluar pisan jang ulin, da bisi kabita batur hoyong jajan. Sedih pisan asana teh hirup abdi. Tapi teu nanaon, kudu sabar jeung tawakal kana kaayaan nu terjadi.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5557", "text": "Basa bade uih ka lembur, abdi nyobian bade naek DAMRI sabab rute anyarna teh nyaeta ka lembur abdi. Abdi teu apal biasana sok aya bus jam sabaraha wae, sabab ceunah terbatas, sapoe teh ngan tilu. Abdi nyantai indit ti kostan teh jam sabelas, nepi ka terminal jam satu leuwih sabab macet pas jam istirahat. Asup ka terminal, singhoreng mah bus na karek kaluar pisan ti terminal da inditna jam satu pas. Abdi ngahuleng bari reuwas kumaha carana balik da geus kagok kadieu. Akhirna abdi mutuskeun nungguan bus nu teakhir, jam opat sore. Salila tilu jam ngan diuk hungkul di hareupeun warung bari nungguan bus. Hadeuh, aya we kajadian teh. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5971", "text": "Tilu dampak goreng nu bisa dirasakeun ku jalma nu pernah ngalaman dibully. Nu kahiji nyaeta leungitna percaya diri. Biasana mun pernah galaman bullying mah sok kalah leungit kapercayaan diri sabab emang ngarasa dirina teu berharga. Nu kadua nyaeta bakal ngarasa insecure, sabab dirina dianggap teu sarua jeung batur. Terus deuih ngarasa dirina boga kekurangan nu mantak batur ngabully manehna. Nu katilu nyaeta trauma psikologis. Tah paling parah dampak tina pembullyan teh nyaeta nyesakeun trauma psikologis anu hese dileungitkeun sabab kahadiran nana membekas pisan dina ingatan. Leuwih parahna mah mun geus nepi kana gangguan mental, bakal fatal pisan kanu ngawakan nana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1031", "text": "Teu lila ti kasus Kanjuruhan, aya deui kasus ti Itaewon anu keur ngarayakeun Halloween nu kajadianna pas tanggal 29 Oktober 2022. Dina insiden ieu leuwih ti 150 orang maot jeung ratusan sejenna luka-luka. Kuduna perayaan nu ngabungahkeun lantaran jadi acara mimiti dina tilu taun terakhir saberes negara Korea Selatan nyabut pembatasan Covid-19. Tapi kalakah akhirna mah jadi salah sahiji kecelakaan nu paling mematikan. Tempat anu sempit ari nu datangna teh leuwih ti 100.000 jelema, rek teu pasesedek kumaha. Komo pas di pudunan, loba jelema nu kadorong nu akhirna mah ka gencet. Sieun ninggalina oge teu kabayang kumaha eungapna eta nu katindihan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3365", "text": "Sungut ditapel jeung leungeunna ditalian di TK\nKitu caritana, basa kuring keur TK, kuring boga kabiasaan goréng ngegel kuku. Guru kuring pohara prihatin kana kabiasaan goréng kuring ieu. Kuring geus sababaraha kali ditegor tapi kuring tetep ngalakukeun eta, lain alatan kuring teu sieun, tapi sabab geus kabiasaan. Ahirna dina hiji poe basa kuring keur sibuk ngegel kuku ramo, guru kuring nitah kuring maju, leungeun kuring ditalian ku lawon jeung sungut kuring ditepel. Kuring ceurik jeung babaturan kuring di sengserikeun di kuring sapopoe. Ngerakeun pisan. ti awit eta mereunan kuring heunteu sok ngagegelan deui kuku, pedah ku era eta di lakban di hareupeun kelas, ngan jadi kasebutkeun mah rada aya trauma ka guru pas jaman eta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5523", "text": "Mun diganggu ku jurig teh tong sok sieun komo geumpeur mah, anggursih muntang babacaan ka gusti Allah sangkan dipaparinan kasalametan. Babacaan na ge sing bener jeung khusyu, tong ngasal wae bari malaweung. Bacaan nu bisa ngusir jurig teh utamana nyaeta surat Al-Ikhlas, surat Al-Falaq, jeung surat An-Naas, leuwih hade oge mun ditambahan ku ayat kursi jeung Al-Fatihah. Tah doa-doa jeung bacaan eta teh diyakini bisa ngusir jurig. Memang sih kabeh babacaan jeung susuratan ge hade, bisa pake muntang dina ngahadapan mamala, ngan emang dianjurkeun bacaan jeung susuratan nu tadi teh sabab pasti kabeh jalma geus hapal. Intina mah, bacaan naon wae ge bermanfaat salila urang hafal mah. Jadi, tong sieun deui nya! Yuk anggursih babacaan we!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2055", "text": "Jaman keur SMA mah hese pisan nyimpen duit mah, da sangu mah ngan 150.000 sabulan :') Tapi pas keur kuliah mah sangu naek jadi 1 juta per bulan, tapi nu keur dahar sapopoe mah pangabutuh kuliah mah kaasup nu 1 juta. TAPI ku modal gagabah mah usaha nabung saeutik, mun aya tambahan duit saku anu dipasihkeun ka Mamang atawa Tanteu atawa Embah mah disimpen di tabungan nepi ka inget jaman harita mah bener-bener teu boga duit na. teu nyaho dahar naon sanajan sabenerna aya duit di ATM tapi éta duit tabungan. Sareng rerencangan abdi ngagaleuh 5.000 batagor nalika terang abdi teu gaduh artos kanggo tuang, saatos nabung salami 1 taun, kuring ngumpulkeun 1,5 juta, kuring langsung nyarios ka bapa kuring nyandak kuring mésér HP, nyaéta Xiaomi Redmi 4A : D", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4457", "text": "Patugas komo lamun di tempat gawe na di perusahaan atawa usaha anu bergerak di bidang jasa service atawa pelayanan teh kunci pagaweanna nomer hiji. Salak patugas urang teh kudu ramah, someah jeung kudu sigap mere bantuan sarta kudu peka ka kaayaan anu aya. Lamun sakira na aya jelema anu binggung butuh bantuan urang kudud sigap nanyakeun tuluy mantuan atawa urang oge kudud sigap misalkeun lamun ningali customer urang keur dina situasi anu heseun, salna keur beratt atawa heseun bawa loba barang saenggeus balanja. Salaku patugas urang lamun ningali nu kitu kudu langsung sigap mantuan, urang kudu ninggalkeun kesan anu alus supaya customer urang puas jeung balik balanja deui ka dinya jeung urang teu di ambekan ku customer.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5634", "text": "Rani tos ngajalin hubungan tunangan sareng pasanganna salila dua taun. Unggal weekend pasti we aya ameng ka bumi Rani, tuluy biasana ngajakan makan bareng sareng kulawargana Rani. Kadua kulawargana tos saling ngenal baik hiji jeung sejenna. Hiji waktu, Rani curiga sabab weekend tunanganna teu ameng ka bumi, ditelponan ge meuni hararese, teu aktif ti enjing dugi ka wengi. Rani ngarasa khawatir pisan sabab teu biasana jiga kieu, orang tuana ge teu terangeun indit ka mana. Pas sore, babaturan Rani aya nu ngechat motokeun tunangan Rani nu keur duaan jeung awewe di kafe. Rani ngarasa leuleus pisan, jengkel pisan, tuluy ceurik ka indungna. Indungna ge meuni ambekeun, tungtung na mah geus we hubunganna di putus nepi kadieu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "384", "text": "Dumasar kana data ti Badan Pusat Statistik (BPS) dina Statistik Indonesia 2022, aya saloba 447.743 kasus pisah pepegatan anu kajadian ti taun 2021. Angka ieu naek tibatan taun saacanna nu aya 291.677 perkara. Data ti BPS eta ngan ngawengku pisah pepegatan jang orang Islam hungkul. Sedengkeun lamun dumasar kana data ti Badan Peradilan Agama aya sajumlah penyebab dina pisah pepegatan teh. Nyaeta faktor perselisihan, pasea, ekonomi, salah sahiji maot, KDRT, mabok, murtad, dihukum penjara, judi, poligami, zina, kawin paksa, cacat badan, madat, jeung nu sejenna. Alesan gugatan pisah pepegatan oge rupa-rupa, Ceuk psikolog dewasa, Nirmala Ika meunteun dumasar kana data mangrupakeun hal nu biasa kajadian ka pasangan salaki pamajikan. Sabab tumbuh ti kulawarga anu beda, budaya nu beda jeung budayana rupa-rupa.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2443", "text": "unggal manusa sieun kana hal-hal anu tangtu sapertos kamar anu poék, sempit, atanapi paling sering sieun ku hantu. Teu bisa dipungkir yén ningali hal gaib pasti bisa nyieun haté anjeun luncat reuwas. Tapi naon anu anjeun tingali leres-leres hantu?\nTiasa waé. Sanajan kitu, aya sababaraha katerangan ilmiah pikeun fenomena nu hiji jalma ngarasa ningali, ngarasa, atawa malah noel hal kawas éta.\nNgalaporkeun ti The Sun, Salasa (5/9/2017), ieu katelah 'sense presence' atawa perasaan ayana. Dumasar kana panilitian, pangalaman ieu biasana dialaman nalika aya di rohangan anu suhuna rendah sareng kaayaan stres. Hal-hal anu teu katingali tiasa aya sareng ngaganggu anjeun, tapi upami anjeun nyangka anjeun ningali hantu anjeun kedah naroskeun deui ka diri anjeun. Naon anu anjeun tingali leres-leres hantu atanapi sanés?", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2502", "text": "Manggihan nilai ekspektasi tina tikét lotre. Nilai ekspektasi tikét lotre ngajelaskeun kauntungan téoritis tina ngagaleuh hiji tikét lotre. Dina basa sejen, nilai sarua jeung kauntungan ekspektasi lamun meuli hiji tikét lotre. nilai nu bisa diitung ku cara ngalikeun odds tina win tangtu (hadiah grand, 4 angka katuhu, 3 angka katuhu, jeung sajabana) ku nilai win jeung nambahkeun eta up. Sanajan kitu, inohong ieu tangtu bisa mindahkeun lamun hadiah utama kacida gedéna.\nSacara umum, nilai unggul bakal tebih handap nilai ekspektasi.\nSalaku standar, contona pikeun 5 + 1 tina 69 nu di cokot sareng 26 Powerball, nilai ekspektasi pikeun hiji kupon sakitar 1,78. dolar Amerika", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "786", "text": "Aya sababaraha langkah nu bisa dilakukeun ngameh karya urang teu dicokot ku batur, nu kahiji daftarkeun hak cipta. Ku ngadaftarkeun hak cipta, urang meunangkeun hak eksklusif jang ngontrol reproduksi, distribusi, jeung penggunaan karya. Hal ieu bisa mantuan ngalindungi karya urang tina penggunaan tanpa izin ku batur. Nu kadua gunakeun lisensi, mun urang hayang ngabagikeun karya urang ka batur, urang bisa ngagunakeun lisensi jang mere hak ka batur kanggo ngagunakeun karya urang ku sababaraha alesan. Nu katilu tandai karya urang, tandaina bisa ku watermark atawa ngaran pengarang jang mastikeun mun batur apal saha nu mibogaan karya eta teh. Nu terakhir nyaeta simpen salinan karya urang, boh eta di komputer atawa dina bentuk fisik.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "638", "text": "Meh teu kabablasan prankna, ngaprank oge aya etikana. Contona ulah ngaprank di tempat-tempat anu bahayan atawa nu ngagunakeun alat-alat nu bahaya. Mending prank na mendidik, prank ieu tujuanna ngameh jelema nu diprank teh belajar tina kasalahanna. Salah sahiji contona mere edukasi positif ka nu diprank teh nyaeta nempel tulisan dina mobil atawa motor nu parkir di tempat khusus disable. Harepanna jelema eta bakal kapok jeung engke deui mah moal nyokot tempat parkir batur nu leuwih ngabutuhkeun. Pokona mah prank anu positif jeung berdampak alus ka korban prankna. Ulah nepi ngarugikeun pihak korban, sabab prank nu alus mah nu bisa mere kabungahan jang korbanna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1100", "text": "Oray salah sahiji sato nu dipikasieun, lain pas diudagna hungkul, pas ninggali bebentukanana oge sok langsung ngajauhan. Boh eta oray nu leutik atawa nu gede, sanajan teu kabeh oray teu aya peurahan, tapina tetep sieun digegel. Soalna ngadangu ti batur mun kakeunaan peurah oray, kudu buru-buru ditalian tempat nu digegelna soalna bisi nyebar peurahna. Jeung kudu geura-geura dibawa ka rumah sakit jang ditangani bisina kaburu nyebar tuluy bisa nyebabkeun fatal. Keur mah di kampung urang teh jauh kamamana, ka rumah sakit ge jauh. Jadi tambah sieun mun diudag ku oray teh atawa amit-amitna nepikeun ka dipacok. Soalna peurahna nu matak mematikan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1047", "text": "Ngarasa kaleungitan rasa percaya diri mangrupakeun salah sahiji efek nu mindeng kajadian ka korban bully. Pas urang di bully, urang ngarasa teu dihargaan jeung diremehkeun ku batur. Hal ieu bisa nyebabkeun kaleungitan rasa percaya diri jeung ngarasa teu bisa ngalakukeun hal-hal nu samemehna urang lakukeun. Urang mindeng ngarasa yen urang teu cukup bageur, teu pinter, atawa teu mibogaan nilai di mata batur. Hal ieu bisa mangaruhan kualitas hirup urang nu mibogaan dampak kana kasehatan mental jeung fisik. Jadina teh rendah diri, ngarasa teu bisa nyokot kaputusan, jeung ngarasa sieun kanggo ngaekspresikeun diri sorangan. Ku sabab kitu salaku korban bully ngabutuhkeun rojongan oge dorongan jang mantuan ngabangun deui rasa percaya diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8228", "text": "Sanggeus ngalaman kajadian traumatis jeung sato tangtu saperti anjing, contona keur diudag atawa bitten, bisa geus ninggalkeun kesan pikeun lila nepi ka titik di mana mangaruhan sikep anjeun nalika interacting jeung sato ieu deui. Upami kusabab ieu anjeun janten sieun teuing, condong nyingkahan hal-hal anu aya hubunganana sareng anjing, bahkan dugi ka gaduh keluhan fisik sapertos palpitations, kesangan kaleuleuwihan, kalemahan, pusing, soca poek, engapan gancang, sesak napas, pias, teras ieu bisa jadi naon anu anjeun alami, sacara alami digolongkeun kana fobia. Hayu urang turutan saran dokter sapertos diajar langkung seueur ngeunaan anjing, kalebet hal-hal anu ngajantenkeun aranjeunna ngudag jalma, teras hindarkeun hal-hal éea supados anjeun tiasa tenang sabab moal diudag deui.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2146", "text": "Kuring sakali-kali reuwas pedah ngadéngé adina nini maot, sabab kuring geus sababaraha poé nganjang ka dinya, kabeneran indung kuring teu aya, jadi kuring nu ngagantikeun manéhna keur ngamandian mayit. Pas rék ngamandian manéhna heunteu terang timana meunang kawani.Teu ngarasa sieun tapi asa wani ku ngahormat panungtung.. Emut ka bapa ambek rek neunggeulan.. Abdi resep ngobrol sareng nini, sateuacan maot kuring ngajak nini ngobrol bari seuri sareng nyandak foto gambar anjeunna. Nu ngamandian 2 urang, kuring jeung anakna. Bener - bener campur perasaan, nyeuseuh, nganterkeun mayit ka alam kubur. Waktu éta anjeunna dikubur peuting. Mugi-mugi padang dalane, jembar kubure, oge ngaku dosa Gusti.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7294", "text": "Alhamdulillah di ulang tahun abdi anu ka dua puluh tilu ieu abdi tiasa ngarayakeun sareng kulawargi jeung rerencangan di kantor. Poe ieu abdi gaduh rencana hoyong babagi ka jalmi anu teu tiasa emam, jalmi anu aya di sisi jalan. Abdi dibantosan ku dua rerencangan abdi kanggo ngabagikeun sangu ka jalmi di sisi jalan. Pas tos rengse urang tiluan langsung ka hiji tempat, tapi urang sempet pidio kol heula sareng rerencangan abdi anu nuju kuliah di luar negeri. Manehna ngahapunteun lantaran teu tiasa miluan. Pas tos beres urang tiluan langsung indit ka hiji tempat, pas tos dugi abdi reuwas lantaran aya rerencangan abdi anu cenah mah aya di luar negeri, manehna sabenerna tos balik ka Indonesia. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2155", "text": "Abdi badé nyerat carita ngeunaan sahabat abdi anu namina Bobby. Mudah-mudahan carita ieu janten wawasan anu pangsaéna pikeun anjeun. Kuring kenal Bobby di SMA. Tepatna, di kelas 2. Kabeneran, Bobby téh murid pindahan ti sakola di Jakarta. Kusabab urang baheula cicing di kota leutik di Jawa Tengah, mun ngadenge kecap Jakarta teh bener-bener 'wah'. Sapertos penampilan Bobby anu rapih sareng kaos bodasna anu leueur sareng rada kebiruan. Bobby jadi sobat pangalusna kuring di kelas dua nepi ka tilu. Manehna teh budak rajin jeung pinter. Nyarita sopan tur salawasna ramah ka saha. Nalika ngobrol ngeunaan kauangan, Bobby mangrupikeun jalma anu langkung cekap, hirup di perumahan ageung milik perusahaan minyak nagara sareng dirojong ku fasilitas sanés. Nepi ka harita bapana Bobby maot sarta ngamimitian carita hirup pait. Bobby pindah sakola di tengah kelas tilu. Kusabab bapana maot, Bobby jadi quieter, gloomy sarta mimiti Ngahindarkeun kami. Nepi ka perpisahan lumangsung. Bobby indit tanpa pamit.gagal jang ngalola aset nu aya jeung kulawarga nu pupus akhirna sampe ayeuna andi can ninggal deui Bobby.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7797", "text": "Rerencangan abdi teu apal yen manehna ngadahar dahareun anu geus lil kadaluarsa. Manehna ceunah nyokot dahareun eta ti kulkas anu aya di kosan manehna. Abdi sabenerna geus masihan apal ka manehna yen ulah nyokot barang batur atawa barang anu teu apal saha anu bogana, tapi manehna keukeuh nyokot eta dahareun lantaran geus lila di kulkas jeung teu dicokot-cokot wae ku nu boga. Manehna sempet nawarkeun oge eta dahareun ka kuring, tapi abdi nolak. Teu lila saprak manehna dahar, manehna ngarasa teu ngeunah dina beuteung tuluy langsung utah di hareupeun kuring, lantaran geleuh, abdi langsung indit ninggalkeun manehna sabari nahan utah oge. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9547", "text": "Isnaeni ngarasa bagja pisan poe eta. Sanggeus ngaliwatan kakandungan anu panjang tur cape, ahirna manehna rengse ngalahirkeun orok awewe anu sehat tur geulis. Waktu ningali budakna mimiti, Isnaeni ngarasa bungah pisan. Panonna moncorong jeung beungeutna katembong bungah pisan. Isnaeni teu bisa nahan kabungahna di waktupwaktu ngurus budakna. Manehna ngarasa kawas di dunya nu anyar. Manehna kudu diajar loba hal anyar ngeunaan kumaha carana ngurus budak. Najan kitu, manehna teu ngarasa kabeungbeurat ku sagala hal ieu. Gantina manehna ngarasa bagja pisan jeung resep pisan bisa ngalakukeun eta. Saban Isnaeni ningali eta budakna seuri atawa sare, manahna ngarasa bungah pisan. Anjeunna terang yen anjeunna bakal janten indung anu pikeun ieu budak, sareng anjeunna bakal salawasna aya ngarawat pikeun budakna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "5653", "text": "Lamun gaduh pqsangan nu sok babari neunggeul, tong asa-asa tinggalkeun we. Dina ajaran agama geus jelas eta teh hal nu salah jeung ngundang dosa. Salian ngarugikeun fisik urang, ngarugikeun oge mental urang. Sabab ai nu meneran nyaah mah moal wani kasar komo nepi ka neunggeul mah. Komo dina prahara eumah tangga nepi ka neunggeul mah geus fatal pisan. Ancaman dosa na ge beurat pisan, jaaminan na naraka. Kuduna awewe teh dibimbing, lain kalah dikasaran. Teu kudu sieun ngalawan, urang salaku awewe kudu wani ngahentikeun kekerasan nu kitu. Kudu wani oge ninggalkeun pasangan nu kasar sabab masih loba nu leuwih hade!", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "362", "text": "Jalan raya henteu wae mulus jeung rata. Urang harita perjalanan balik ti Cimahi. Di jalan hujan keur gede bari lampu penerangan jalan kurang, alhasil rada teu katinggali, komo pas peuting kajadianna. Pas rek nyusul treuk, ban motor hareup urang kana gijlegan anu bolong jeung ka keueum cai, jadina teu katinggali sanajan disorot make lampu motor ge. Sontak urang nyisi da sieun katabrak ku treuk. Di imah karek karasa loba nu getihan, mulai ti tuur, sikut, jeung dampal leungeun. Nepikeun ka anu dampal leungeun mah kaasupan keusik. Di imah urang disalepan jeung dibetadine an, ku sabab peurih urang nepika ceurik. Aya kana samingguan luka na geus garing tapi jadina aya tapakan di tempat anu getihan teh.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4305", "text": "Ekspresi lamun urang ningali jelema anu kakarek di vonis suatu panyakit nya pasti reuwas sedih jeung biasana mah nyesel, nyesel kunaon teu daek ngadengekeun nasehat batur, sabab biasana panyakit teh teu ujug ujug aja tapi aya mula mula panyebabna. Tah mimiti mimiti panyakit kieu teh anu biasana teu di rasa. Nepi ka nyaho nyaho geus aya panyakit jeung vonis na ti dokter. Lamun geus kieu kakakek nyesel sedih jeung sieun tapi nya geus teu bisa di nanaon keun dieu nu geus kajadian mah. Matakna urang kudu pinter pinter ngajaga kasehatan pola hirup kudu sehat sangkan teu beunang panyakit jiga kitu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7501", "text": "Lantaran teu meunang pikanyaah jeung perhatian ti kolotna, rerencangan abdi di sakola gawena teh neangan masalah we hungkul. Lamun aya barudak anyar pasti ku manehna dihereuyan. dihereuyanna oge lain diereuyan anu lucu jeung pikaseurieun tapi disundut make roko, tuluy dikerem di kamar cai atawa ditajong basa nuju numpak motor. Abdi oge mimitina mah teu apal manehna boga tingkah polah siga kitu da baheula na mah manehna teh asa teu kitu. Tapi ngadangu carita ti rerencangan anu sanes jeung ningal kajadian langsung di hareupeun panon abdi janten sieun oge, matak abdi teu pati dekeut jeung teu daek neangan masalah deui ka manehna bisi dicilakakeun. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2977", "text": "nalika kuring milarian dimana posisi anjing babaturan kuring lumpat kira-kira 10 meter di hareup kuring, leres ceuk babaturan kuring seueur anjing janten kuring lumpat sagancangna sareng naon anu kuring leungit tina ngajalankeun éta. anjing jeung babaturan. Kuring ngan ukur bisa pasrah jeung mikir, kumaha engke didahar ku ieu anjing, ku pikiran kitu, kuring ngajerit, untung anjing kaburu kuring salamet. Kuring nyusul babaturan kuring anu ninggalkeun kuring baheula sareng nyarios Wah, naha anjeun ninggalkeun kuring hah? malahan ninggali kuring jeung anjing galak nu siga rabies deui, untung teu ngudag urang malah ngudag ucing. akhirna urang jeung baturan bisa leupas ti eta anjing.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "757", "text": "Basa loba acara di kampus nepikeun ka sare teh teu bener, aya dua jam bahkan teu sare pisan sapopoe teh ku bakat padetna. Ditambah deui urang acan beres pagawean padahal pagawean eta teh geus deadline kudu buru-buru dibereskeun. Tuluy ujug-ujug aya babaturan nu nanya, \"Maneh geus beres can pagawean maneh?\". Urang ujug-ujug ngambek bari neunggeul meja kelas, tuluy ngajawab \"Sia mah loba tanya, cicing weh, nyaho-nyaho pagawean urang beres weh! Ulah pipilueun!\". Babaturan nu tadi langsung ngaleos bari ngomong, \"Naon sih? meni aambekan, padahal mah biasa weh ngajawabna teu kudu ambek\". Tidinya urang langsung ngalieuk deui kana laptop bari perasaan dina hate masih panas.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6872", "text": "Lebaran taun ieu janten lebaran kahiji kalina deui abdi sareng kulawargi di kampung kempel lengkap saatos pandemi covid. Teu kabayang dua taun ka tukang abdi ngan cicing di imah teu tiasa ka mamana lantaran aya larangan mudik ti pamarentah. Taun ieu sadayana tiasa kempel deui, tiasa patepang deui. Abdi ningal sadayana kondisina sehat, komo nini jeung aki atoh pisan didatangan deui ku anak incu jeung minantu. Ku lantaran tos lila teu kempel urang langsung foto studio nganggo acuk kembar, urang oge masak pasakan anu seeur pisan sapertos sate, hayam bakar, baso jeung cokor. Murangkalihna oge resep pisan renang di kolam tukang. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9210", "text": "Kuring gaduh adi anu masih keneh sok ngabaseuhan ranjang atawa ngompol sanaos umurna tos 13 taun, ayeuna nuju lebet ka kelas dua SMP. Kuring sering nitah manehna sateuacan saré, pipis heula supados henteu ngompol kasur, tapi teu kantos dikuping. Epek teh bener weh isuk-isuk anjeunna ngompol deui wae. Pgawean kuring di imah teh nyeuseuh, sok keuheul mun kudu nyeuseuh baju nu beunang cikiih teh, atuh jijik lamun ompolna diseseuh ku kuring wae mah. Soranganna ge jijik komo batur, masalahna mah manehna geus lain budak leutik deui tapi geus gede. Ku kituna unggal isuk kuring kudu ngabilas heula acukna, karek kuring tiasa nyeuseuh baju nu séjén. Kulantaran keuheul unggal poe kudu nyeuseuh pipisna, kuring ngomong ka manehna, mun manehna masih keneh pipis oge, kuring moal daek nyeuseuh deui bajuna, erek dibuang wae kana tong sampah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "9255", "text": "Cara anu kaopat anu tiasa urang laksanakeun pikeun ngaleungitkeun bau baham nyaéta kukumur nganggo obat kumur. Obat kumur ogé bisa jadi cara éféktif pikeun nungkulan bau baham. Obat kumur tiasa nyegah kabentukna plak gigi anu tiasa micu bau mulut. Pilih hiji obat kumur antibakteri jeung ulah make obat kumur nu ngandung alkohol mindeng teuing sabab sabenerna bisa ngabalukarkeun baham jadi garing. Ogé, ulah ngagunakeun obat kumur langsung sanggeus nyikat huntu, sabab sabenerna bisa ngaleungitkeun bahan alus nu aya dina odol nu nempel dina permukaan huntu urang, kayaning fluoride. Paké obat kumur dina waktu anu béda jeung nyikat huntu, contona sanggeus dahar beurang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4456", "text": "Basa poe minggu urang nganter indung urang anu rek balanja ka supermarket deukeut imah,balanja biasa urang lakukeun jeun indung urang sabulan sakali. Pas rek mayar di kasir urang ningali aya ibu ibu anu ambek ambekan ka patugas anu aya di didinya. Ibu ibu eta ambek ambekan bari matana molotot jeung nunjuk nunjuk ka patugasna, kabeh sa supermarket jadi ningalikeun ka si ibu ibu eta, bari tatanya eta aya naon jeung kunaon. Saenggeus na di teangan ternyata si ibu ibu tadi teh ambek ambekan ka patugas kusabab patugas na kurang aktif jeung teu tanggap mantuan si ubu anu keurhararese mawa loba balanjaan nana.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5280", "text": "Cara mohokeun kasedih sabab teu katarima kuliah. Nu kahiji nyaeta urang kudu liburan ulin ka luar supaya poho kana eta kasedih. Ulin na ka tempat nu kira-kira mantak sejuk kana pikiran. Nu kadua nyaeta neangan padamelan. Cobi bari ngeusi sela-sela waktu kosong teh ngalamar damel, sugan we kenging katampi di padamelan. Urang mun aya padamelan mah kan teu inget teuing kana kasedih teh. Nu katilu nyaeta cobaan daftar jadi relawan ngajar ka pelosok. Mun urang ngeusian waktu ku hal nu mangpaat jiga jadi relawan mah, sagala rupa kasedih teh dijamin bakal kapohokeun. Komo mun kasibukan nana nu nuntut interaksi jeung batur mah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6962", "text": "Abdi sareng rerencangan tos sakelas ti SMP nepi ka SMA. Urang gaduh cita-cita anu sami nyaeta hoyong janten dokter. Ti SMA urang duaan tos mineng miluan lomba-lomba sasarengan. Urang oge tos ngabayangkeun lamun engke urang bakal janten dokter spesialis. Abdi hoyong janten spesialis jantung, manehna hoyong janten spesialis kulit. Urang oge hampir unggal poe dajar sasarengan kanggo nyiapkeun ujian SBMPTN. Pas dinten ujian, abdi sareng manehna ujian di tempat anu benten, tapi di waktos jeung dinten anu sami. Pas tos waktosna pangumuman, urang muka sasarengan. Tapi nyatana urang duaan teu lulus asup ka kedokteran. Urang duaan sedih tapi sami-sami hoyong nyobian deui ujian di kampus anu sanes.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5272", "text": "Sabar jadi hiji-hijina cara nu bisa dilakukeun mun usaha urang teu dihargaan ku orang di sekeliling urang. Teu jarang usaha urang teu dihargaan atawa teu diapresiasi ku babaturan atawa atasan di pagawean. Ieu jadi hal wajar, sabab emang setiap jalma beda pamikiran jeung beda pamadegan. Tapi, nu kudu diperhatikeun teh bahwa kerja keras saeutik nanaon ge kudu pisan dihargaan. Mun nepi teu dihargaan, nya konci hiji-hijina ngan sabar. Sabar ge salian narimakeun,oge kudu ngabuktikeun yen urang ge bisa leuwih hade ti nu geus dilakukeun. Tong hilap bahwa urang berharga dina kaayaan apapun. Jadi, mun kerja keras urang teu dihargaan, sabar jeung indit neangan lingkungan nu leuwih supportive.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4698", "text": "Aya sababaraha atawa loba jelema anu sieun lamun kudu di suntik lamun keur gering, suntik di angap sasuatu hal anu di pikasieun ku sabab nyeri kusabab bentuk jarum na anu seukeut aya oge anu sieun di suntik kusabab baheula keur leutikna sok mindeng di singsieunan yen di suntik teh nyeri pisan sahingga kainget neppi ka ayeuna. Di suntik sabenerna teu sa serem kitu, teu karasa siga anu di gegel sireum saeutik, tapi ceuk anu trauma atawa sieun rasa na pasti sieun pisan, aya anu sangking sieuna ku jarum suntik lamun erek di suntik jauh ti samemeh na maneh na geus ngarasa deg deg an, leuleus nyeri beuteng nepi ka utah utahan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4338", "text": "Rezeki emang moal salah alamat sarta sok datang liwat cara anu henteu kaduga duga. Jadi kamari urang teu kahaja datang ka toko kosmetik anu anyar keneh pisan buka di kota tempat urang tinggal. Toko ieu teh cabang tina toko anu ges terkenal dimana mana. Urang datang kadinya milihan lipstick jeung maskara keur bulu mata. Pas urang rek mayar ceuk patugas na ceunah keur aya undian jadi urang di titah nyokot nomer tuluy ngesian data diri urang ceunah lamun meunang ngke bakal di kabaran. Hadiah undian na rupa rupa aya anu produk didinya, voucher balanja, alat elektronik, hape jeung anu sejena. Urang teh ngeusian weh, teu ngarepkeun meunang kusabab tara pernah meunang undian ti baheula oge. Tapi dua poe saenggeus eta urang di telepon yen urang meunang undian na, urang reuwas teu percaya, nepi ka urang di titah datang deui kadinya, ari pek bener urang meunang undian hape ti toko ieu.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5675", "text": "Basa nuju daftar ulang kangge kuliah, abdi ngarasa jengkel pisan ka pihak keamanan di kampusna. Pedah penampilan abdi nu nyirikeun urang lembur, jadi harese asup kampusna teh, ditanyaan heula aya kaperluan naon. Tapi nu pakean na rapih jeung gaya mah dibaekeun asup bebas we. Abdi ngarasa jengkel sabab ngarasa dicurigaan marukan rek naon meureun asup ka kampus, padahal mah sarua rek daftar ulang. Tuluy keur leumpang ge abdi diawasi tuluy, teu jiga nu lain. Abdi ngarasa kesel jeung sedih pisan sabab asa diperlakukeun beda ti batur. Keneh-keneh orang lembur meuni dicurigai ku pihak kaamanan. Padahal mah abdi niat nimba elmu, sanes nu sejen.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1011", "text": "Mindeng ulin ka sawah jang moro langlayangan, tapi sok ka malinaan mun pas langlayanganna eleh ka tengah-tengah sawah. Sakapeung mah sok digabres bari lulumpatan da sieun kaburu beunang ku batur langlayanganna, atuh sawah nu karek dipelak teh katincakan. Harita mah kabeneran keur aya nu bogana di sakitar sawah teh, nu bogana pas ninggali urang ngagabres sawah teh teu cicing, manehna langsung lumpat ngudag urang bari ngacungkeun bedog. Urang nu keur harita masih budak leutik sieun, sanajan eta meureunan heureuy tapi urang ge milu lumpat ngajauhan si nu boga sawahna. Nepikeun ka langlayangan nu tadi dicokot di tengah sawah teh milu soek lantaran dibawa lumpat tuluy kacipratan ku cai leutak.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1017", "text": "Saberes nyokot duit di ATM, lantaran cash dina dompet urang geus beak. Harita teh tempat ATM na sepi, kaasup jalanan, lantaran geus jam 11 ditambah hujan ngaririncik jadi batur ge rek kaluar horeameun. Pas geus kaluar di ATM, jol aya duaan nu nodongkeun peso kana beuteung urang. Urang reuwas jeung sieun, reflek ngacungkeun dua leungeun ka gigireun ceuli. \"Aya naon, A?\" urang bari ngaderegdeg. \"Eta kadieukeun duit bieu nu geus ku maneh ditarik!\" ceuk pelaku. Duit nu ku urang ditarik teh 500 rebu, jadi dibikeun kabehanana. Manehna menta duit sejen nu aya di ATM urang, jadi urang digiring deui ka mesin ATM jang narik deui. Tapi kulantaran saldona geus beak, jadi teu bisa narik deui. Geus kitu mah maranehna indit.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2534", "text": "Harta karun anu kapanggih di perairan Cirebon miboga ajén Rp 720 miliar. Ieu sanggeus lumangsungna lélang harta karun Cirebon.\nTina éta lélang, aya barang anu ajénna fantastis, nyaéta piring langka Samson Delilah saharga Rp 27 miliar.\nBarang-barang ieu parantos dilélang di Jakarta, Rebo (5/5/2010), ku Pamaréntah Singapura kalayan persetujuan Pamaréntah Indonésia.\nFakta metot ngeunaan kapanggihna jeung lélang harta karun saharga Rp 720 miliar, diringkeskeun ku Okezone, di Jakarta, Senén.. Eusian Harta\nHarta ieu diwangun ku 11.000 mutiara, 4.000 rubies, 2.200 agate beureum jeung 400 safir beureum. Sajaba ti éta, aya keramik ti kakaisaran Cina jeung parabot ti kakaisaran Persia. Lokasi Papanggihan\nTim arkeolog ti Departemen Kabudayaan jeung Pariwisata, Dirjen Sajarah sarta Antiquities, Direktorat Warisan jero cai, nalungtik keramik Cina kapanggih di perairan Subang taun 2010. Kanyahoan, jajaran barang-barang berharga kapanggih dina kapal anu geus sarebu taun kalelep di perairan Cirebon. Nu manggihan éta hiji hunter harta jero cai ngaranna Luc Heymans. Dimana eta nyandak anjeunna sataun pikeun ngangkat sagalana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6009", "text": "Nu ngaranna manusa mah mun gaduh salah teh sok rumasa tiheula sieun dicarekan. Komo mun kasalahanna nepi ka ngarugikeun batur mah. Biasana mah mun boga salah teh sok aya nu teu wani ngomong sabab sieun dicarekan. Padahal mah teu kudu kitu, kan kabeh kasalahan ge aya titik balikna, kacuali mun dihaja tea ngalakukeunna. Mantak teu jarang manusa mun boga kasalahan teh sok era sorangan sabab pada dasarna mah kan boga naluri karumasaan. Dihenteu-henteu ngakj ge da angger hate na mah ngaku yen boga kasalahan. Tong daek nyieun salah sabab bakal asa diuudag ku kasalahan sorangan dina sagala lampah kahirupan teh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3007", "text": "Pangalaman kuring sareng serangan panik, penampilan teu ngarareunah, sieun, kahariwang tanpa alesan anu jelas. - Contona, tadi kuring keur jalan ka pantai jeung indung kuring jeung 2 barudak. Kagiatan anu matak ngahibur kan?\r\nNgarareunah teras mimiti dirojong ku gejala fisik. Dimimitian ti sesak napas, visi lieur atanapi sesah fokus, sensitipitas kana cahaya atanapi suhu, awak mimiti ngageter sareng sakapeung karasa heuras, ngirining dina ceuli, palpitasi, sadaya gejala anu ngajantenkeun kuring ngarasa yén aya kajadian anu goréng atanapi maot. langsung. Seueur anu nyarios katerangan kuring sapertos jalma anu kaserang diabetes atanapi serangan jantung. Pikeun éta sapertos gangguan jiwa anu sanés, upami anjeun ngalaman atanapi terang saha waé anu ngagaduhan, punten milarian bantosan profésional pas mungkin.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7312", "text": "Pemburu harta karun reuwas basa mendakan 48 peti emas milik Hitler anu disumputkeun anu bernilai satengah milyar pon di istana Polandia. Asalna tim arkeolog ngamimitian ngali di istana abad ka-18 di Desa Minkowskie di Polandia kidul sareng ngaharepkeun mendakan 10 ton emas sareng harta karun anu sanesna. Pas kapanggih peti emas eta eusina nyaeta barang meunang maok anu dipaling dina ahir Perang Dunya II atas parentah ti bos Schutzstaffel (SS), Heinrich Himmler, pikeun ngabiayaan pangwangunan Reich Kaopat. Seeur pisan anu ngarep kana harta karun eta lantaran tos lila katimbun. Akhirna harta karun ieu tiasa kapanggih saatos meunang dokumen rahasia anu masihan petunjuk lokasi harta karun eta. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5569", "text": "Biasana mun geus lila teu amprok jeung babaturan teh sok sono pisan, komo ka babaturan nu deukeut pisan mah jeung urang. Kasibukan pagawean masing-masing ngajadikeun waktu jang amprok na teh hese tepungna. Komo deui mun babaturanna sok hese dihubungi atawa ganti nomor anyar mah, mantak hese pisan amprok na ge. Padahal, sakumaha sibukna ge amprok jeung babaturan teh jadi salah sahiji perkara penting sabab bareto sahenteuna pernah ngabaturan urang basa urang can jadi nanaon. Kahadiran babaturan oge jadi salah sahiji penyemangat urang dina naklukeun tantangan kahirupan, misalna dina hesena ngajalani proses pendidikan. Ku aya babaturan mah jadi aya babaturan pakumaha jeung babaturan ngobrol soal tugas.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9216", "text": "Kuring inget keneh harita basa keur kelas dua SMA, kuring galam kajadian anu ngeraeun pisan. Harita teh jadwalna pelajaran olahraga, materina teh tentang sircuit training. Urang dititah papasangan jeung babaturan duaan sewang. Pas ngalakukeun gerakan nu sejen mah aman-aman wae, tapi pas ngalakukeun gerakan squat jump meureun bakat ku sumanget teuing calana kuring teh soeh, pas pisan di belahan sukuna. Anu matak era pisan teh kusabab sora soehna teh badag pisan, berewek soeh, atuh kabeh babaturan teh ningalikeun kuring bari seuseurian. Gura-giru kuring lumpat ka jamban jang ganti calana, soalna kuring teu make calana pondok deui, langsung cangcut. Bers ganti calana, kuring balik deui ka lapang. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5591", "text": "Tilu dahareun nu ulah dikonsumsi mun nuju hamil. Nu kahiji nyaeta nanas ngora. Mun nuju hamil teh pantrangan pisan ngaemam nanas ngora sabab ngandung bromelain nu bisa ngalunakkeun serviks tuluy nyieun orok na prematur, leuwih parahna deui ngundang kontraksi jeung potens kaguguran. Nu kadua nyaeta gedang. Gedang ngandung lateks atawa geutah nu bisa ngundang kontraksi rahim, pendarahan, jeung kaguguran. Jadi haram hukumna nu keur hamil nuang gedang, komo gedang ngora mah. Nu katilu nyaeta jeroan. Jeroan teh ngandung preformed vitamin A nu dikonsumsi na leuwih teuing teh bakal berpotensi kana kacacatan jeung nu parahna kaguguran. Ku kituna, mun hamil mah kudu hati-hati pisan ngajaga dahareun nu dikonsumsi.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "349", "text": "Kudu pisan nyobaan daftar kuliah ka paguron luhur, cara asupna oge loba bisa ngaliwatan SNMPTN, ieu jalur nu mimiti nu bisa asup ka PTN teu kudu miluan ujian. Carana ku nilai rapor atawa prestasi salila di sakolaan kaasup nu non akademik jang nilai tes ujian asup. Jang miluan ujian SNMPTN, kudu daftar ka panitia SNMPTN ngaliwatan sakola. Biasana proses ieu didaftarkeun ku guru BK sakolaan, lamun geus eta tinggal mikeun berkas-berkas nu dibutuhkeun hungkul. Jalur SNMPTN ieu oge mindeng dikenal ku sebutan jalur ondangan. Jalur ieu ngan ukur jang nu lulus di taun anu sarua jeung pelaksanaan SNMPTN. Jurusan anu dipilih oge maksimal dua program studi ti hiji PTN atawa dua PTN.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "770", "text": "Ceuk saha awewe Sunda kabeh matre? Emang geus ngasurveI? Ieu mah gara-gara ninggali warta dina TV jol weh rame-rame ngacap awewe Sunda teh matre. Nya atuh teu kabeh kitu, eta mah gumantung kana niatna sewang-sewangan. Omongan ieu mindeng ku urang denge atawa mun panggih jeung babaturan nu beda daerah, pokna manehna sok ngomong, awewe Sunda teh kabeh matre. Urang hayang ngawaler jeung ambek sabenerna, cik atuh tong sangeunahna mun ngomong, mun hayang ngabuktikeun sok cicing di tanah Sunda, buktikeun ku sorangan naha enya sangkaan manehanana jeung batur bener kitu. Ulah nepikeun ka ngomong kitu, komo mun misalkeun diomongkeun deui ka batur mah nu teu apal, sigana terus-terusan kasebar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "219", "text": "Lulus kuliah 7 semester lain hal nu mustahil. Kabukti ku urang anu bisa lulus leuwih gancang tibatan nu sejenna. Lamun digawean bener-bener jeung fokus, lulus gancang kuliah ge bisa jadi peluang jang ngatur hirup kahareupna leuwih awal. Beda jeung jaman baheula mah mahasiswa teh bisa kuliah nepi 5 taun kaluhur. Ari ayeuna mah kusabab babari meunangkeun informasi jadi beuki gancang oge jeung babari diakses ku saha wae oge. Jadi sabab babari na ku teknologi ayeuna, jadi bisa leuwih gancang lulusna jeung bisa nuluykeun gawe. KU waktu kuliah nu gancang, sabenerna bisa ngahemat duit kuliah oge lamun lulus gancang teh jeung oge bisa leuwih gancang meunangkeun pangalaman gawe tibatan batur nu can lulus.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7796", "text": "Enjing-enjing abdi nuju mapah di taman anu aya di caket imah. Abdi oge rencanana hoyong sakalian meser sarapan, pas nuju mapah ojol-ojol abdi ngambeu aya bau anu teu ngeunah. Lantaran panasaran, abdi langsung nyamperkeun eta bau ti mana. Pas ditingal epekteh aya utah di hareupeun imah kuring. Abdi teu kita pisan ngambeu bau utah, komo eta aya di hareupeun imah pisan. Anu asalna hoyong emam sarapan, abdi janten teu napsu lantaran kaburu geleuh ningal utah. Abdi langsung nutupan utah eta ku lebu sabari nutup hirung jeung embung ningal utah eta saking geleuhna. Abdi oge langsung masihan wipol supados teu bau teuing. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1041", "text": "Rasa sieun ninggali jurig mah wajar, pasti jelema nu kakara ngalaman oge aya rasa kasieun. Nu penting mah rasa kasieun eta ulah nyebabkeun urang panik, mun urang panik bakal nyebabkeun kajadian nu teu dipikahayang jadi datang. Contona pas urang keur bekendara di tempat anu poek tuluy ninggali jurig, urang ulah panik ku cara langsung ngebut. Mun kitu bisina ku sabab panik jadi teu ninggali jalan, bisa wae urang labuh ka jurang. Jadi mun salewat ninggali jurig di jalan cukup urang apal hungkul weh, tong aya reaksi anu kaleuleuwihi komo bari diobrolkeun ka babaturan nu dibonceng ku urang padahal urang can nepi ka tujuan. Biasana jurigna sok mimilu ka tempat nu ku urang tuju.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6036", "text": "Sakali saumur hirup abdi dipanggil ka kantor polisi sabab jadi saksi kacilakaan maut dua minggu katukang. Abdi sieun pisan mun dijadikuen saksi teh sabab teu boga pangalaman jeung pendidikan nu tinggi, Mending mun boga pangalaman mah, ieu henteu pisan. Keur ditanyaan teh sok rada bingung ngajawab. Komo mun di sesi wawancara mah, asa dibantai pisan. Ngomong nanaon teh sok sieun salah jeung sieun so tau. Mantak ayeuna mah sabisa mungkin ulah nepi ka daek dijadikejn saksi, sabab salian kudu nyampaikeun kebenaran, oge kudu konsisten dina ngajelentrekeun kajadian, ulah nepi ka nimbulkeun spekulasi anyar sabab bisa barabe kahareupna. Mendingan hindari pisan pihak berwajib mun alim riweuh mah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4295", "text": " Minggu kamari babaturan deukeut urang nikah, urang jeung babaturan sejena ngahaja ngaleungit jeung bari ngomong bahwa urang kabehan moal bisa datang kusabab keur di daerah anu jauh, babaturan urang teh ambek ambekan kuciwa pisan kusabab arurang babaturan deukeutna teu bisa datang ka poenan bahagia na. Padahal mah urang kabehan ngabohong di haja rek ngareureuwas manehna, pas jam setengah hiji nu ka ondangan geus sepi jeung manehna keur ganti baju buru buru urang kabehan datang mawa hadiah, aya nu mawa baju jeung parabotan imah. Pas manehna balik ti ganti baju manehna reuwas pisan teu sangka nepika ceurik haru urang sakabeh babaturan na akhirna daratang. Manehna akhirna ceurik terus pelukan babarengan, maneh na teu sangka yen urang kabehan datang mawa hadiah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3378", "text": "Rék lalajo band favorit anjeun dina konsér?\r\n\r\nwaktos harita riweuh pisan, kuring ampir nyeri sirah ningali jalma,\r\n\r\nmuhun pas rerencangan abdi bade meser ngopi langsung ngagorowok,,eh pak steven lanceuk steven selfie atuh,,,,hayu lumpat urang opatan pangpangna norak sabab urang papanggih jeung hiji band idola, kuring Anu leuwih seru deui nyaeta Steven nyandak poto jeung kuring, kuring menta idin \"Iya, bisa, punten sabar\"\r\n\r\nkumaha si jaaka teu daek moto, bergengsi...\r\n\r\nsanggeus poto-poto jeung Steven N Kaligis KW, tuluy teu lila aya nu ngariung ngageroan steven, meh ngahalangan jalan... nepi ka aya nu lumpat ngudag...\r\n\r\nTah, ieu Steven, mana Steven, mana nu bener, bari seuri, Steven, ceuk kuring kieu\r\n\r\n\"Anu ono steven n kaligis, mun aing mah steven N kaligrafi,, bari seuri nyaring wuhahaahhahahhaha\r\n\r\ntapi sumpah anjeunna bener bener bener bener, bener, poto eta leungit, sabab kuring ngaganti handphone\r\n\r\nMeuni ngerakeun, sumpah ngerakeun wkwkwkkwkkkw", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "383", "text": "Di sakolaan SMA, urang boga babaturan deukeut, kamana-mana teh sok tiluan wae, nyaeta Agni jeung Bayu. Hiji waktu aya kabar Agni rek pindah sakolaan ka Cisarua, urang jeung Bayu inisiatif nyieun video perpisahan khusus jang Agni. Balik ti sakola, urang nyimpang ka kosan Bayu sabab geus jangjian didinya. Bayu geus nyiapkeun kamera jeung ngatur posisina tuluy nyokot gitar, gitarna teh merk Yamaha warna coklat. Urang oge nyokot kaen warna hideung jang nutupan beungeut ngameh teu katinggali pas nyanyi. Bayu mulai metik senar gitar, sora gitar geus kadangu urang ge ancang-ancang nyanyi. Nyanyi ge pacampur sedih hayang ceurik bari ngabayangkeun si Agni. Akhirna video perpisahan teh geus jadi langsung di unggah di grup facebook khusus kelas arurang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7273", "text": "Basa ngadahar eskrim dina stikna aya tulisan angka jeung hurup. Abdi asalna mah teu pati paduli kana kode eta, tapi pas ningal dina bungkusna aya hadiah ratusan juta jeung aya hadiah utama nyaeta motor. Abdi panasaran kumaha carana supados tiasa miluan undian eta. Pas ningal dina bungkusna dijelaskeun sababaraha lengkah. Kahiji urang kedah meser eskrim heula anu aya gambar hadiahna, kadua urang tingal dina stikna aya kode unik, katilu urang tiasa ngirimkeun eta kode ka nomer anu aya di bungkusna. Unggal sasih bakal aya pangumuman saha anu meunang. Tos hampir sabulaneun abdi ngirim kode ka nomer eta, jol aya balesan yen abdi kenging hadiah sasih ieu nyaeta pulsa saratus rebu. Abdi langsung atoh teras ngirim nomer anu bade dieusian pulsa.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5930", "text": "Opat hal nu kudu diperhatikeun supaya teu kena begal di jalan. Nu kahiji nyaeta ulah mae kandaraan sosoranganan, kudu aya baturna. Mun berkendara sorangan teh bakal ngagedekeun potensi begal di jalan, jadi minimal kudu aya baturan supaya aya buddy system. Nu kadua nyaeta ulah berkendara ka tempat nu sepi atawa tara dilewata ku kandaraan, sabab biasana dimangpaatkeun jang tempat begal numbuk korbanna. Nu katilu nyaeta hindari berkendara ti peuting. Mun bisa mah berkendarana ti beurang supaya masih rame jeung masih loba keneh penguna jalan. Nu kaopat nyaeta kudu siap sadia alat nu bisa nangkal begal, jiga cairan semprotan lada atawa alat serum supaya mun aya kaayaan darurat teh bisa ngalindungi diri.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3249", "text": "Janten upami kuring angkat ka WC énjing-énjing kuring pasti ningali tumpukan tai. Kanyataanna, mindeng stool henteu dina liang. Sakapeung di lantai. Bingung wéh, jelas aya liang wc didinya, naha siah bisa kaditu-kadieu? Kumaha anjeun nyobian gaya?\nGélo bener-bener goréng. Abdi damel di dinya salami 3 taun sareng kalakuanana masih sami. Kami karyawan parantos nyerat serat bewara ka bos kami supados aranjeunna sadar sareng terang. Kami ogé parantos protés ka aranjeunna ngalangkungan HRD sareng sekretaris unggal manajer. Sanajan kitu, kabiasaan maranéhna teu robah. Kuring reuwas. Naha aranjeunna sapertos kitu?\nGeus waktuna ka mana-mana? sanes jiji? Kuring ogé dikirim ka Cina pikeun digawé salila 2 bulan. Éta gélo di dinya. Kuring teu boga panto. Aranjeunna eek bari ngobrol. Teras bérés henteu disiramkeun waé.\n\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "1062", "text": "Kaselek cai mangrupakeun hal nu dipikasieun pas tilelep. Lantaran cai bisa asup kana paru-paru jeung memicu refleks batuk. Hal ieu bisa nyebabkeun urang kaselek jeung kaleungitan kamampuan jang napas ku cara anu normal. Kaselek cai bisa memicu kaayaan nu leuwih butut, siga hipoksia atawa kakurangan oksigen dina awak. Hipoksia bisa nyebabkeun karuksakan organ awak jeung kematian lamun teu buru-buru ditangani. Jang ngahindar tina kaselek cai pas keur tilelep, penting jang ngagunakeun alat kasalametan siga jaket pelampung jeung alat penyelamat. Alat ieu bisa mantuan urang tetep ngapung di permukaan cai jeung ngajaga hulu urang di luhur cai jang nyegah asupna cai kana paru-paru. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6935", "text": "Rerencangan abdi di sakola pa boro-boro janten siswa anu gaduh seeur prestasi. Unggal sasih pasti aya wae siswa anu lomba. Aya bidang ekonomi, geografi, akuntansi, jeung sajabana. Abdi oge embung eleh, pas aya bewara lomba ti kampus caket sakola abdi langsung daptar. Abdi ngiringan lomba pidato make bahasa Inggris. Lantaran waktos pendaftaran anu mepet, abdi ngan nyiapkeun hiji teks pidato hungkul. Padahal upami lolos babak hiji, abdi kedah langsung nampilkeun pidato kadua. Babak kahiji lancar pisan. Abdi langsung asup ka babak kadua, tapi hanjakal pas di babak ka dua abdi kirang maksimal lantaran teu acan aya persiapan kanggo pidato anu kadua.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "284", "text": "Dina kawinan, tangtu boh lalaki atawa awewe mibogaan tanggung waler sewang-sewangan. Salaku lalaki aya nu kudu dipersiapekun. Nu kahiji biaya, sanajan ayeuna mah biaya kawinan teh bisa dibagi dua jeung pasangan, tapi euweuh salahna salaku lalaki leuwih gede kontribusina dina hal biaya, sabab ceuk urang mah enya ge ditanggung babarengan tapi di adat urang nyaeta Sunda, geus kuduna lalaki nu nanggung biaya kawinan. Nu kadua maskawin, lalaki kudu nyiapkeun maskawin jang awewena, bentukna mah heg wae rek naon ge, tapi biasana perlengkapan ibadah atawa duit. Teu kudu mewah, nu penting mah maskawin boga kesan alus jang calon panganten. Nu katilu kudu pisan ngajaga kasehatan, boh nu katingali ti luar atawa jeroanana. Samemeh kawin, bisa facial heula, atawa lamun ngarasa awak kagendutan bisa nerapkeun olahraga jeung dahar kadaharan sehat.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7532", "text": "Supados tiasa gaduh murangkalih, rerencangan abdi kedah dioperasi lantaran aya nu ngahalangan dina rahimna janten teu tiasa hamil. Manehna sabanerna maju mundur bade ngalakukeun operasi ieu lantaran kulawargina mah leuwih satuju lamun manehna diubaran ngangge cara tradisional. Tapi emang cara tradisional teh bakal nyeepkeun waktos anu leuwih seeur, tapi operasi mah ngan sakedap tapi aya resikona sareng pangaosna anu leuwih awis. Untungna manehna gaduh BPJS, janten teu pati seeur ngaluarkeun artos. Ayeuna manehna tinggal mikiran kumaha carana operasi ieu tiasa lancar. Manehna sadar yen pasti aya kamungkinan gagal oge, matak sateuacan dioperasi manehna nyungkeun hapunteun ka sadayana. Manehna oge ceurik sababaraha poe ieu lantaran teu acan siap tapi kedah enggal dioperasi. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9211", "text": "Kuring inget pisan, harita basa keur SMP, basa kuring ngiluan latihan dasar kapapingpinan. Arurang teh dihudangkeun jam dua pagi jang miluan jurit malam. Saanggeus jurit malam beres, kuring dititah sholat tahajud bari nungguan subuh. Geus sholat subuh beres, arurang teh dititah lari heura ngurilingan tempat kemping dua puteran, ameh awakna panas kusabab tempat kempingna meuna kacida tirisna. Teras arurang teh dikumpulkeun di Aula jang sarapan. Anu matak pikakeuheuleun mah sanguna teh geus basi, kuring apal pisan eta sangu teh anu di dahar ku urang basa tadi peuting. Kuring jijik pisan harita teh, tapi da kuring mah leuwih milih kapalaran tipada dahar sangu nu geus basi, jadi kuring kur ngadahar laukna eta oge kur sapotong tempe goreng. Babaturan kuring mah aya nu ngadahar eta sangu basi, kapaksa ceunah soalna lapar pisan. Ku kuring teh dibere weh sangu anu kuring, tuluy diseeokeun ku manehna. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2896", "text": "Inti pluralisme agama nyaéta yén sadaya agama sami sareng sadaya ajaran agama leres sabab nyembah ka Gusti anu sami tapi dina cara anu béda.Majelis Ulama Indonésia leuwih ti dasawarsa ka tukang ngaluarkeun fatwa ngeunaan paham pluralisme agama jeung ngalarang umat Islam nuturkeun ideologi ieu. Naha éta dilarang? Ku sabab ngaruksak pondasi akidah, aya potensi sinkretisme (percampuran) ajaran agama, sarta jadi gaya hirup religius anu béda jeung hukum Islam. MUI, guru Agama Islam, jeung kolotna wajib ngajaga masarakat katut kulawargana tina ruksakna akidah anu timbul tina paham pluralisme ieu. Pluralisme henteu kantos mempersoalkeun ayana agama di masarakat anu pluralistik. Beda jeung pluralisme agama anu percaya kana bebeneran sakabeh agama, numutkeun akidah Islam, sakur muslim anu percaya kana bebeneran agama salian ti Islam bakal gugur jadi murtad. Urang sapatemon loba kampanye pikeun pluralisme agama dina sababaraha film Asia dimana tokoh utama anu Budha nikah dina pamandangan garéja. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2626", "text": "Waktos harita aya acara pekan olahraga di kota abdi. Ku kituna, kusabab kabeneran hotél kuring ogé dipesen sahubungan jeung acara, jadi urang nyiapkeun kamar dimaksud. Ti mimiti mesen rada ribet, sabab pihak nu mesen can bisa méré kapastian sabaraha kamar jeung jam sabaraha dipakéna. Salawasna robah. Ieu ogé ngajadikeun urang rugi sabab unit kamar urang ngajual lumangsung ngan sababaraha sarta sababaraha geus dipesen maké DP a. Masalah timbul nalika PNS ieu, nalika dipariksa kaluar, teu hayang pariksa kaluar. Padahal ti mimiti ditegeskeun jeung dijelaskeun yén kamar éta ngan bisa dipaké salila 2 poé. Punten. Customer ngomong \"oke\". Tapi jalma anu cicing teu hayang nyaho. Hayang 3 peuting. Malah ngancem babaturan kuring rék dilaporkeun ka kantorna, ditambahan ku kecap \"sial\" kaluar tina sungut jalma terhormat ieu. Mencak mencak teu boga aturan jeung etika, malah maréntahkeun sémah séjén pikeun pariksa kaluar. Wah... ieu karek jadi PNS, sombongna geus teu tulus, apalagi jadi presiden? Tungtungna masalah direngsekeun nalika urang papanggih jeung nu meuli. Mimitina galak siga maung, tuluy leuleus siga ucing megat tahu. Jeung jalma ieu pariksa kaluar wae pikeun dipindahkeun ... meureun ka gudang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6038", "text": "Mun ngalaman jadi saksi dina kasus kacilakaan, ulah sok geumpeur. Ulah nepi ka informasi nu ditepikeun teh ambigu atawa ngabingungkeun. Usahakeun tetep tenang, ulah panik jeung geumpeur. Jalani we sadayana apa adanya, bejakeun informasi nu bener jeung jujur. Ulah nepi ka ngabohong saban bisa ngarugikeun. Kajujuran urang bakal nyalametkeun diri sorangan jeung kabenaran. Bakal loba nu ngadukung mun geus jujur mah. Mantak ge, mun ngahadapan suatu masalah teh teu kudu bimbang, jalani ku tenang jeung jujur, insyaallah sagalana bakal dilancarkeun jeung dipaparin kasalametan. Ulah ngaya-ngaya alesan, bejakeun saujradna. Biasakejn jujur ti ayeuna yuk! Supaya bisa dipercaya kahareupna jeung teu ngarugikeun diri sorangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9189", "text": "Waktu harita kuring keur ulin ka imah uwa kuring, sabab manehna kakara pindah imah. Pas lebet mah, teu acan bau nanaon, tapi pas asup ka dapur, kacida bau busuk tina runtah. Tétéla ceuk indung kuring di tukangeun imah uwa teh aya tempat runtah ageung. Da ku kuring teh katingali ti jero, loba pisan tumpukan runtah di dinya. Uyuhan uwa kuring jeung kulawarga kuat cicing di dinya. Ceuk indung kuring teh, maranehna néangan imah nu murah, jadi kapaksa wayahna milih imah di dinya. Lamun eta kurig, kuring mah moal daek da cicing didinya, kuring bakal leuwih milih imah kontrakan leutik asal beresih jeung teu bau runtah. Upami caket tempat runtah teh kan pasti seueur kuman, bumi urang moal beresih sareng bakal bau unggal dinten.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "756", "text": "Cara mereskeun kaambeuk nu nembongan euweuh sebab kudu diluyukeun jeung penyebabna. Contona wae mun penyebabna depresi, berarti merlukeun bantuan ti psikolog atawa psikiater. Salian ti eta, aya sababaraha cara sederhana oge nu bisa diterapkeun ngameh teu babari ambek. Nyaeta di antarana, nu kahiji ekspresikeun emosi tapi tong nyalahkeun batur, siga ku nulis, ngahaleuang, atawa ngajorowok di rohangan nu terbuka. Nu kadua narik napas pas keur hayang ambek. Nu katilu ngajauhan pikiran negatif nu matak bakal ambek. Nu kaopat rutin olahraga ngameh teu stress. Nu kalima mikir saacan ngomong atawa migawe nanaon. Nu terakhir bisa nyobaan nerapkeun teknik relaksasi, siga meditasi atawa yoga.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7275", "text": "Aya hiji toko di caket imah anu sok masihan hadiah kanggo saha wae anu rajin meser di dinya. Unggal poe teh pasti aya wae nu dibeuli. Ti hal anu penting nepikeun hal anu teu penting. Tempat ieu teh luas jeung lengkap pisan, sagala aya, jaba pangaosna langkung mirah tibatan meser di tempat anu sanes. Basa abdi nuju bade milarian hiji barang ka toko eta, abdi ningal di hareupeun tokona aya tulisan, aya hiji barang gratis kanggo saha wae anu poe ieu nuju ulang taun. Pas pisan poe ieu abdi nuju ulang taun matak hoyong meser barang anu tos diiencer ti kamari. Pas abdi asup abdi langsung ngomong yen abdi nuju ulang taun sabari nunjukkeun KTP.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8494", "text": "Ieu sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era nalika calana anjeun ngadadak soek. Coba tetep tenang sareng pikir sacara rasional. Ieu mangrupikeun kaayaan umum sareng sanes hal anu ageung. Inget yen jalma sejen bisa jadi teu aya bewara atawa mikir ngeunaan eta sanggeus bari. Coba pikeun manggihan solusi pas mungkin. Contona, nutupan wewengkon robek ku kantong atawa neangan tempat ngaganti baju. Nyarioskeun diri anjeun sacara positif sareng yen eta sanes tungtung dunya. Emut yen urang sadayana ngalakukeun kasalahan sareng gaduh kaayaan anu ngerakeun. Coba difokuskeun kaayaan ayeuna jeung poho isin. Fokus kana tugas atanapi kagiatan anu aya bakal ngabantosan ngaganggu sareng ngirangan rasa isin. Upami diperlukeun, menta babaturan atawa kulawarga pikeun mantuan nungkulan kaayaan. Eta meureun bisa nyadiakeun rojongan tur mantuan nungkulan parasaan isin.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3399", "text": "Hirup teu tenang. Gawé capé teu bisa ngarasakeun hasilna. Unggal bulan sok ngali liang keur nutup liang, nginjeum duit jang mayaran hutang-hutang heubeul. Unggal ditelepon mah sok gugupay. Tiap aya nu eureun hareupeun imah, sok panik, hariwang aya nu nagih hutang. Emas jeung harta banda ampir kabéh digaduhan tapi duitna sok leungit sakedapan pikeun mayar hutang jeung cicilan. Nyaan teu alus, kuring ngali liang pikeun nutup liang tanpa sadar hutang kuring geus keuna 15 juta. Abdi sieun pisan ker basa rek pailit, nalika kantor ditutup sareng abdi henteu tiasa mayar hutang. teu weleh isin pendak sareng tatangga oge kulawarga sabab tangtos aya anu resep naroskeun perkawis hutangna.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "3313", "text": "Kumaha Nyimpen Dahareun Sangkan Teu Gancang Basieun ku Dipanaskeun\r\n1. masak anjeun ditinggalkeun sarta bakal disimpen dina kulkas? Preheat dahareun. Tujuanana nyaéta pikeun maéhan baktéri anu aya, supados henteu nyababkeun karusakan. Kulub kadaharan sup nepi ka kulub rata. Sedengkeun pikeun kadaharan anu dibumbuan, anjeun tiasa nambihan sakedik cai, teras dipanaskeun dugi ka cai ngaleutikan deui. Ku kituna, panas disebarkeun merata, tapi teu gosong.\r\n2. Anjeun kudu inget yen memanaskeun kadaharan salila haneut, tapi teu ngagolak sampurna, sabenerna ngabalukarkeun baktéri ngalobaan gampang. Tangtosna, kaayaan ieu tiasa nyababkeun gancang basi.\r\n3. Hindarkeun aduk atawa poking dahareun nu geus dipanaskeun\r\nnoel atawa nyendok dahareun nu geus dipanaskeun bisa nyieun eta gancang ruksak. Hadé nyandak heula, teras kulub deui.\r\n4. Anjeun oge kedah salawasna ngagunakeun sendok bersih nyandak dahareun. Pamakéan sendok kotor ngabalukarkeun kontaminasi silang. Hal ieu ngajadikeun baktéri spoilage tumuwuh sarta ngabalukarkeun kadaharan jadi basi.\r\n", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6838", "text": "Di taun ieu abdi kapaksa kedah ngagentos hape lantaran hape abdi anu ayeuna tos pinuh pisan memorina, bade ngahapus oge bingung lantaran bakal lami upami kedah milihan jeung ngahapusan hiji-hiji. Abdi asalna bingung bade gentos hape ka merek anu mana, lantaran jaman ayeuna mah kabutuhan ka hape teh seeur pisan, jeung kedah dipaskeun sareng budget na. Abdi sempet rada bingung antara meser android atawa iPhone, lantaran ayeuna tos seeur pisan anu ngangge iPhone. Abdi mutuskeun meser hape iPhone lantaran langkung awet jeung teu aya hape android anu bener-bener sasuai kahoyong abdi. iPhone oge kaasup barang anu tiasa dijual deui upami bade ngagentos ka model anu anyar.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8458", "text": "Jalma teh bisa ngarasa geuleuh nalika aranjeunna ningali tumpukan sampah pikeun sababaraha alesan. Tumpukan sampah sering ngaluarkeun bau anu teu pikaresepeun, anu tiasa memicu reaksi geuleuh sareng ngajantenkeun jalma teu nyaman. Partikel anu dibawa ku hawa tina tumpukan sampah tiasa memicu reaksi alergi sareng iritasi, sareng nyababkeun rasa jijik. Tumpukan sampah sering ngandung bakteri sareng virus anu tiasa nyebarkeun panyakit, nyababkeun reaksi geuleuh sareng perasaan teu ngarareunah. Sababaraha kabudayaan tiasa nganggap tumpukan sampah sapertos anu teu higienis sareng pikasieuneun. Sacara umum, reaksi geuleuh ka tumpukan sampah tiasa dipangaruhan ku sababaraha faktor sapertos sensasi, pangalaman baheula, pandangan budaya sareng norma sosial.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4448", "text": "Nyokot sesuatu anu lain Hak na teh hartina dosa, gusti Allah teu resep ka jelema anu sok ngarebut naon anu jadi hak batur, nagrebut pagawean batur sangeunah na kusabab maneh na dulur atawa budak bos teh perbuatan anu kacida goreng na. Eta hartina sarua jeung maneh na teu ngabogaan harga diri, lemah teu meunang sorangan, teu mandiri jeung bisa di sebut hina kusabab ngarendahkeun diri na ngadepak batur anu geus lila jeung mati matian usaha ameh meunang pagawean eta. Ngajieun batur ambek jeung bisa jadi ngaduakeun anu teu bener. Keur jelema anu kitu kudu inget yen maneh na ngamuli ngalakukeun sesuatu liwat cara anu teu alus hasil anu manehna bakal meunangkeun oge moal alus.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7498", "text": "Abdi pernah ngadangu carita ti adi kelas kuring di SMP yen baheula pas manehna masih keneh di hiji sakola manehna pernah dijailan ku rerencanganna. Mimitina mah manehna teu boga batur di sakola lantaran manehna teh pinter tuluy mineng dipuji ku para guru. Padahal manehna teu ngalakukeun hal nu salah tapi seeur jalmi anu jahat ka manehna. Manehna pernah dititah meuli jajanan di kantin kanggo babaturan anu baraong make duit manehna tapi teu digantian. Pernah oge manehna dititah ngerjakeun tugas babaturanna, lamun teu ngerjakeun bakal diarah pas manehna balik ka imah, sabenerna mah manehna hoream ngerjakeun tugas batur, tapi lantaran sieun manehna teu wani nolak. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4432", "text": "Di parlakukeun teu adil teh emang bener bener teu genaheun pisan, teu dimana mana lamun urang teu boga kawasa teu boga harta ku batur teh sok kalah di jauhan di parlalukeun beda jeung jelema anu beunghar. Di lingkungan imah weh tong jauh jauh pasti sok aya wae anu kawas kitu. Lamun urang jelema anu boga harta pagawean na alus sok loba anu ngadeukeutan tapi lamun urang jelema miskin teu boga batur tatangga ge siga eweuh anu daekeun ngarah. Misalkeun lamun gering oge kanu beunghar mah tatangga teh meni loba wae daratang ngalongok jeung nungguan ka imah atawa ka rumah sakit ari jelema teu boga mah kudu bisa sagala sorangan cicing weh eweuh anu ngalongok. Ieu teh kaalaman oge ku bapa urang dina tahun 2020 keur mana basa pandemi dulur jarauh kabeh teu bisa ngalongok eh tatangga anu dareukeut oge eweuh pisan anu datang padahal eta gering na lila aya kana 2 bulan na. Sok sedih campur ambek rasana lamun di parlakukeun teu adil kawas kitu, tapi nya ngan bisa cicing weh jeung ngabuktikeun yen urang oge bisa nguruskeun sorangan jeung teu butuh tatangga anu kawas kitu.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "656", "text": "Gawe di Wedding Organizer aya kana sataunna saenggeus lulus kuliah. Tuluy pas aya penerimaan pagawe anyar urang miluan nga interview, pas macaan data pagawe anyar ge urang geus rada curiga bari ngomong dina jero hate. Tuluy pas panggih jeung pesertana, urang nanya \"Ieu teh Intan nya? Anu di SD Cipatik\" Manehna ngajawab \"Oh muhun, ari bapak teh siga rerencangan abdi nu kapungkur pindahan sakola\". Urang ngajawab bari seuri \"Haha leres eta abdi Tan\". Tuluy saenggeus interview urang ngajak ngobrol bareng ngeunaan baheula pas urang masih pada SD, teu nyangka bisa papanggih deui ku cara mu teu sangaja, sanajan geus 12 taun teu panggih ge tapi masih pada wanoh. ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3301", "text": "Sarerea pasti hayang boga imah beresih jeung seungit. Nanging, naha anjeun kantos nyanghareupan masalah tong sampah anu bau sareng sesah dibersihkeun? Biasana tong sampah bau kusabab tong sampah teu dipasihan plastik. Tungtungna, kokotor langsung pencét beungeut wadahna. Lamun teu langsung miceun, tangtu runtah gampang bau. 1. Paké baking soda pikeun deodorize tong sampah\r\nCara munggaran pikeun ngaleungitkeun bau anu goréng tina tong sampah nyaéta ngagunakeun baking soda. Kantun taburkeun ¼ sendok baking soda di handapeun tong sampah pikeun ngabantosan nyerep bau anu goréng. Salian ti tiasa ngaleungitkeun bau anu nempel dina tong sampah, baking soda ogé tiasa ngabantosan ngajaga sampah.\r\n2. Soak dina ngabodaskeun\r\nSaha anu nyarios ngabodaskeun ngan ukur tiasa dianggo dina baju? Tétéla, cairan ieu ogé bisa mantuan Anjeun miceun bau tina tong sampah, anjeun terang. Cairan pemutih biasana ngandung disinféktan anu tiasa maéhan kuman sareng bau. Nanging, ulah nganggo pemutih kaleuleuwihan sabab tiasa ngarusak permukaan sampah anjeun. Cukup nganggo ¼ cangkir pemutih sareng tambahkeun 2 gelas cai haneut, teras tuang kana tempat sampah. Ninggalkeun sababaraha jam sareng bilas tong sampah sacara saksama.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2515", "text": "Waktu kuring reuwas dikirim kado keur ulang taun kuring, dina Ulang tahun nu sabenerna kuring teu penting, manehna datang mawa tas-yeuh, kantong plastik Alfamart pinuh ku pulpén-jumlahna aya tujuh kotak pulpén, jeung lianna. pulpén anu teu aya dina kotak. Aya ogé tipe-x, pamupus, pensil sareng seueur deui. Lamun poé éta kuring mutuskeun pikeun muka toko alat tulis, sahenteuna kuring boga cukup modal pikeun ngajual. Dina dinten anu sami, anjeunna ninggalkeun amplop bodas anu disegel pageuh. Cenah teu apal cara ngirim surat ngaliwatan kantor pos, tuluy diserahkeun. Eusi amplop téh ukur salembar kertas. Ieu kumaha upami jalma henteu sering nyerat panangan, panginten. Tulisanna miring-goréng pisan. Jarak antara hurup teu tangtu. Henteu aya pambuka surat atanapi naon waé. Mimitina, kuring hoyong nyebrang nganggo tinta beureum sareng mesen révisi, tapi aya masalah. Eusi suratna matak pikaseurieun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "235", "text": "Di jaman digital mah meunang undian teh babari, salah sahijina miluan giveaway. Unggal poe pasti bakal ninggali sababaraha bewara ngeunaan giveaway rek leutik atawa gede-gedean. Lamun ceuk urang mah mun aya giveaway mending miluan wae, salian ti haratis teu dipungut biaya, oge syaratna oge babari. Nu paling sering ku urang miluan mah, syaratna teh ngan mengikuti akun instagram nu ngayakeun giveaway, tuluy komen di postinganna. Tinggali heula syaratna naon wae, sakapeung mah kudu nyantumkeun tagar, mention babaturan, jeung share bewara giveawayna kana story Instagram. Nu ngayakeun giveaway ge teu rugi sabenerna mah, sabab ku cara ngayakeun giveaway bisa jadi promosi, tuluy produkna beuki dikenal.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6373", "text": "Dudi teu wantuneun cicing di bumina deui. Ngadon ka nomaden we kaditu kadieu sabab ngahindari hutangna. Janten, Dudi teh kantos nambutan acis ka para tatanggina. Makin hari makin seueur wae hutangna teh. Sedengkeun padamelan Dudi teh ayeuna mah teu tangtu da eureun di pabrikna. Janten kateteran mayaran hutang. Dudi ge sok era mun amprok jeung tatangga teh. Mantakna, Dudi milih ngarantau kaditu kadieu supaya teu era teuing amprok jeung tatanggana teh. Maksudna mah pas balik teh pas bisa mayaran hutangna. Lain niat teu mayar, tapi keur ngagundukeun acis jang mayaran sakabeh hutangna. Mantak ayeuna teh nuju ngumpul-ngumpul tabungan jang mayaran hutang.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "661", "text": "Di fakultas tempat urang kuliah biasana sok ngayakeun Dies sataun sakali. Dies ieu rame ku raramean, jeung teu sapoe perayaanana oge. Biasana nepikeun ka tilu poe. Tah di poe katilu, sok ngayakeun undian hadiah. Hadiahna rupa-rupa barang-barang anu berguna jang di imah, tapi doorprizena mah sapedah. Urang indit jeung babaturan teh tiluan, di tempat asup ka gedungna, aya penjaga nu mere kupon. Kupon ieu berurutan kumaha jelema nu asupna. Jadi urang teu bisa milih hayang nomor sababarahana mah. Urang diuk tuluy ngaregepkeun jalanna acara. Pas nomor urang disebut, urang langsung kahareup bari nyokot sapedah di panggung. Reuwas soalna tina ratusan jelema urang bisa jadi salah sahiji nu meunangna, jeung meunang doorprize deuih.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6385", "text": "Salah sahiji konsekuensi tina ngalakukeun kacurangan keur seleksi BUMN teh nyaeta niron atawa ngajoki. Pernah aya kasus nu kadeteksi nyaeta aya joki nu ngerjakeun soal para calon pegawai BUMN. Padahal diawal geus dijelaskeun sagala bentuk kacurangan teh bisa ditindak sesuai hukum nu berlaku, tapi angger we aya nu teu kireum-kireum ngalakukeun kacurangan. Kuduna mah hal nu kieu teh dihindari bersama. Komo menyangkut konsekuensi di blacklist bahkan dibawa ka ranah hukum ge. Kudu na mah sarerea geus ngajunjung tingi kajujuran, ulah ngandelkeun kaburukan sabab saing ku sieunna teu asup, da ai geus rezeki mah moal ka mana. Kudu na mah boga rasa era pas ngalakukeun hal niron teh, komo ieu nyangkut nama besar nagara.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "4308", "text": "Basa kamari aya babaturan urang saumuran ngora keneh nyaho nyaho di vonis ku dokter beunang panyakit diabetes. Urang jeung babaturan anu sejen reuwas nya kumaha bisa kitu padahal biasana panyakit diabetes teh kan nyerangna ka kolot ieu mah babaturan teh ngora keneh pisan jaba rajin olahr raga na hirup na teh sehat tapi gening bisa kena panyakit diabetes. Saeunggeus di tanyakeun teh nyata na panyakit diabetes ieu turunan indung na oge ngidap diabetes. Jadi panyakit diabetes teh bisa nurun keun ka anak sacara genetik jadi teu ngan saukur tina gaya hidup jelema na hungkul. Tapi gaya hirup tetep kudu sehat sahenteuna bisa ngurangan potensi panyakitna atawa lamun puguh geus kena urang nya kudu leuwih rajin olahraga ameh sehat.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8464", "text": "Surya teh mahasiswa jurusan sosiologi. Ayeuna anjeunna ngayakeun observasi di salah sahiji kampung terpinggirkan sareng tertinggal di pinggiran Jakarta. Sabot dugi ka ieu kampung, sakedapan teu aya anu aneh, tapi upami dititenan deui, kaayaan kampung ieu tebih tina sae. Masarakat di kampung ieu teu boga panghasilan alus sahingga ngalaman kalaparan sabab teu bisa meuli kabutuhan dasar. Pikeun dahar sapopoe maranehna mindeng balik pikeun ngumpulkeun kadaharan anu bisa jadi busuk tur teu cocog pikeun dahar. Ningali jalma-jalma ngadahar tuangeun busuk Surya teu kaampeuh nahan keuheulna. Sanes teu hormat, tapi kusabab eta anu matak pikasieuneun. Disagigireun ti eta, Surya oge ngarasa karunya ka masarakat desa ieu lantaran ngalaman ngalaman hal nu pikageuleuheun ieu. Nu keuheul robah jadi karunya. Dina datangna Surya, anjeunna mawa loba sembako pikeun disebarkeun ka jalma di dinya.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2136", "text": "Salaki réréncangan kuring parantos di PHK 2 sasih ti saprak pandémik dimimitian, sanaos panghasilan kulawarga utama asalna tina salakina kusabab réréncangan kuring milih fokus janten IRT. Rumasa kitu kudu dikorbankeun. Tapi enya deui, ieu takdir anu panghadéna ti Alloh, mugia abdi ogé langkung caket sareng anjeunna, neda dihapunten pisan, sareng ngadoakeun mugia dimudahkeun rezekina. Dina mangsa éta maranéhna ngalaman kasusah jang biaya hirup sarta ogé biaya ngubaran balita maranéhanana anu kapangaruhan ku spot. Abdi tiasa ngaraos kumaha susahna salamet dina pandémik sapertos kieu. Babaturan kuring tungtungna damel, ngajual kadaharan baseuh sareng jajanan sanés. Anjeunna nyatakeun yén hasil penjualan tiasa dianggo pikeun usaha sanés dinten salajengna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6288", "text": "Mun imah nu geus teu ditempatan mah bakal jadi sarang sasatoan. Misalna mun imah geus teu layak huni atawa dtinggalkeun sabab rek pindah imah, pasti we sok tereh dihinggapi ku sasatoan. Ramat lancah pasti tereh aya di mana-mana, kecoa pasti aya di unggal juru, beurit pasti nyieunan liang di sabudeureun imah, tokek jeung cak-cak di mana-mana sabab nurutkeun mangsana. Tuluy mun geus bala oge sok aya hewan nu berbahaya jiga oray. Mun geus bala mah kade we sabab sokpasti aya oray dina semak-semak na teh. Mun serangga mah geus puguheun da sarua jeung pamancing sato lainna asup ka imah kosong sabab jadi mangsa.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3316", "text": "Kadaharan anu terkontaminasi akibat kontaminasi teu langsung, nya eta bersentuhan sareng peralatan anu kotor dina bentuk tusukan atanapi iteuk. Kontaminasi fisik nyaéta objék asing anu sanés bagian tina bahan pangan anu dikandung dina dahareun. Sedengkeun kontaminasi biologis nyaéta organisme hirup anu ngabalukarkeun kontaminasi dina dahareun, anu bisa ngabalukarkeun kontaminasi pangan. Jeung tina tusukan aya sababaraha baktéri anu nempel, ngabalukarkeun kontaminasi kana dahareun. Kadaharan anu kacemar ku laleur. Lamun laleur atawa serangga ngagantelkeun kana dahareun urang aya sahenteuna 100 patogén atawa parasit béda nu bisa mawa kasakit, kayaning baktéri, virus jeung endog parasit. Serangga tiasa nyebarkeun panyakit ieu ku sababaraha cara, diantarana:", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3434", "text": "Hal-hal anu aya hubunganana sareng nginget-nginget kajadian anu goréng aya hubunganana sareng kagiatan dina amygdala, bagian otak anu fungsina pikeun ngatur émosi anu dialaman ku manusa, khususna kasieun, sareng ogé kagiatan dina hippocampus, bagian otak anu ngagaduhan peran penting dina prosés ngabentuk mémori jangka panjang. Urang bakal leuwih gampang nginget hiji kajadian anu langsung ngabalukarkeun réaksi emosi urang. Pangalaman anu émosional pisan ngagumbirakeun locus coeruleus, anu ningkatkeun sékrési norépinéfrin ngaliwatan sékrési korteks sareng dopamin dina hippocampus (Kalat, 2019; Takeuchi et al., 2016).\r\nDicutat tina website webmd.com, para panalungtik ngajelaskeun yén émosi négatif saperti sieun atawa kasedih bakal nimbulkeun ngaronjatna aktivitas dina bagian-bagian otak nu pakait jeung ingetan, dina hal ieu, nyaéta amygdala jeung hippocampus. Panaliti nyatakeun yén panilitian anu ngagunakeun fMRI (functional magnetic resonance imaging) nunjukkeun yén kajadian négatip ngarangsang kagiatan di daérah anu ngolah émosi dina uteuk, sapertos korteks orbitofrontal sareng amygdala. Beuki puseur émosional ieu diaktipkeun ku hiji acara, beuki dipikaresep éta pikeun nginget rinci patali aspék émosional kajadian éta.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5286", "text": "Abdi basa nuju ngojay di pantai, ngarasa kaduhung pisan sabab teu bisa ngajaga hape bener-bener. Pas nuju ngojay, abdi nyandak hape jang popotoan bari ngojay, hape na disimpen dina wadah plastik waterproof. Abdi anteng we popotoan jeung video bari ngojay. Oge teu poho ngadokumentasikeun kaendahan dasar lautna. Pas midiokeun terumbu karang di jero laut, abdi hilap acan nyetrekeun pelindung hapena, janten cai laut asup kana hape. Abdi buru-buru hanjat ka pantai tuluy nyalametkeun hape bisi pareum. Dipencet-pencet teh enya we hape na tos pareum, teu bisa hurung deui. Tidinya abdi sedih jeung kaduhung pisan sabab teu bisa tarapti ngecek barang.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5219", "text": "Kasus PHK di Indonesia masih ngadudukan angka nu cukup tinggi, artina kasus ieu masih sering terjadi nepi ka ayeuna. Kasus PHK di Indonesia teh terjadi sabab sababaraha faktor, misalna kauangan perusahaan nu teu stabil, ancaman kabangkrutan dina hiji perusahaan, atawa efektivitas jumlah karyawan. Hal ieu tangtuna disebabkeun ku kondisi perekonomian global nu kian ngaburuk. Situasi pasar global nu kacau drastis, ngajadikeun sababaraha perusahaan gede nu aya di Indonesia kena dampakna. Sagala upaya dilakukeun pamarentah jeung ngastabilkeun ekonomi nu terdampak PHK, salah sahijina nyaeta ngagawekeun pekerja nu kena PHK di perusahaan nu dibawah naungan negara. Hal ieu tangtuna supaya pekerja atawa karyawan nu kena PHK bisa bertahan dina segi ekonomina.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5612", "text": "Mun neundeun barang berharga teh kudu sing tarapti sabab penting pisan. Jaman baheula mah neundeun na teh sok dina dulang atawa kendi, tuluy disesebkeun kana jero taneuh. Tah dicirian we tempatna supaya bisa diteang deui. Mun ayeuna mah leuwih babari, bisa neundeung barang dina brankas atawa mun duit mah bisa diteundeun di bank. Hal ieu nunjukeun bahwa nabung teh hal penting ti jaman baheula nepi ka ayeuna nu masih keneh dilakonan. Mun neundeun barang sorangan mah biasana jeung pangabutuh atawa tujuanna jang anak incu urang jaga. Ku kituna, supaya boga wariskeuneun, yuk ah urang mulai nyimpen aset barang berharga jang sampeureun jaga!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3402", "text": "Abdi yuswa 23 taun sareng total hutang abdi +- 500 juta rupiah. Gélo henteu. Kuring ngahutang sakitar 140 juta ka ipar kuring. Sakitar 360 juta sanésna kuring ngahutang ka bank. Kuring ngahutang éta dina Méi 2019 sareng ayeuna ipar kuring ngahutang sésana 68 juta ka bank, sésana 321 juta. prestasi kasohor pikeun taun ka tukang. Pasti anjeun naroskeun naon hutangna. 1. Abdi ngagaleuh bumi anu lokasina strategis pisan saur abdi mah enya hargana 500 juta rupiah. 2. Sanggeus kuring meuli imah. Kuring nyieun imah jadi food court nu boga 6 stan di teras imah. 3. Laun-laun kuring ngawangun kios anu sanés di sisi katuhu bumi sareng ayeuna jumlahna aya 6 stan sareng 1 kios. Alhamdulilah panghasilan tina imah geus nutupan cicilan bulanan kuring. rada era awalna mah ngahutang ka batur teh.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2453", "text": "Cobi urang terangkeun langkung jero, naon anu dimaksud zakat rikaz. Ti dinya, urang bakal terang langkung atanapi kirang naha hadiah anu ditampi tiasa dibagikeun ka Rikaz. Rikaz sacara bahasa dicokot tina kecap: Ar-Rakzu, nu hartina disumputkeun. Asy-Syaukani dina kitab ar-Raudhatun Nadiyah ngadugikeun pidawuh Imam Malik anu kieu: “Pernyataan anu teu aya perselisihan di antara urang (ulama jamanna), jeung anu ku kaula kadenge ti para ulama, maranehna ngajelaskeun: ‘Rikaz teh hiji harta anu kungsi jadi. dikubur dina jaman Jahiliyah (kapungkur), anu dicandak tanpa modal sareng henteu ngaluarkeun artos anu seueur, sareng henteu dilakukeun kalayan kerja keras sareng modal anu ageung. Sedengkeun obyék anu digali ku harta modal atawa merlukeun gawé teuas, kadang suksés sarta kadang gagal, aranjeunna henteu dianggap rikaz. Rasulullah shallallahu 'alaihi wa sallam netepkeun zakat rikaz 20%. Sakumaha anu dijelaskeun ku Ibnu Abbas dina hadits riwayat Bukhari: \"zakat rikaz teh saperlima (20%)\". Zakat Rikaz dikaluarkeun tanpa nuturkeun aturan haul, ku kituna zakat dibayar nalika batur meunang rikaz (harta).", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3298", "text": "Walungan nu pinuh ku runtah, pas hareupeun imah Iin. Nurutkeun manéhna, warga reuwas ningali tumpukan sampah nu ngagugulung ku aliran cai. “Ti kajauhan katénjo runtah téh diguling-guling ku cai, salian ti éta ogé ngaluarkeun bau,” pokna.\r\n\r\nNurutkeun manéhna, warga reuwas lantaran soré harita hawana panas ujug-ujug muncul tumpukan runtah katutupan ku aliran cai walungan.\r\n\r\n\"Di dieu panas kénéh, teu aya hujan. Waktu éta, cai jeung runtah kabeneran loba jalma di dieu. Loba runtah jeung bau langsung kabawa ku aliran cai deras,\" anjeunna dipedar.\r\n\r\nIin nambahan, runtah asalna ti wewengkon Bojong. Sedengkeun Walungan Cisunggala mangrupa anak walungan Citrum sarta saterusna runtah anu aya di walungan dialungkeun ka Walungan Citarum. “Ti Walungan Cisunggala ka Walungan Citarik, terus ka Walungan Citarum,” pokna.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "398", "text": "Konsultasikeun ka nu ahlina, nyaritakeun kahirupan jeung sagala hal nu keur dialaman bisa saeutik-saeutik nyieun ngarasa leuwih ngeunah. Caritakeun ka jelema nu bener, siga psikolog, konselor, atawa terapis. Hal ieu bisa mantuan ngaleungitkeun pikiran nu ngarasa sorangan jeung mantuan nangtukeun lengkah naon nu kudu dicokot saenggeusna. Ulah hariwang, ngarasa sorangan teh hal nu wajar lamun ngalaman sasakali hungkul. TApi, lamun geus ngalakukeun hal-hal dina waktu nu lila jeung euweuh parobahan, ulah diantepkeun naon nu di rasa teh. Sabab, hal nu kitu bisa jadi tanda-tanda depresi. Kudu buru-buru di konsultasikeun hal nu kieu ka psikolog atawa psikiater ngameh meunangkeun penanganan jeung perawatan nu bener.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4317", "text": " Prank oge sasakali bisa di hartikeun kejutan atawa surprise. Misalkeun siga tahun kamari urang jeung kulawarga ngaprank ka sakabeh babaturan jeung dulur anu di lembur, urang sakulawarga teh geus lila pisan teu balik ka lembur. Ari taun kamari urang sakabehan jeung kulawarga balik cicing cicing teu ngomong ka lembur. Basa di tanya iraha balik ngomong na engke tahun hareup padahal urang rek balik ka lembur ayeuna. Pas nepi di lembur, sakabeh kulawarga anu didinya rareuwas teu sangka yen urang balik harita. Resep ningali ekspresina reuwas, bungah pisan tapi oge aya haru oge jeung geregeteun ceunah make teu ngomong ngomong heula rek balik ka lembur teh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "229", "text": "Duit tina tabungan bisa dibeulikeun kanu barang-barang anu mangpaat atawa bisa di investasikeun supaya duitna bisa leuwih loba. Barang-barang nu mangpaat dibeuli misalna smartphone, sabab bisa dipake jang penunjang pagawean. Tangtuna smartphone nu dibeuli spesifikasina kudu nu saluyu jeung kabutuhan. Bisa oge meuli perhiasan, sabab emas lamun dijual deui moal turun gede, beda jeung smartphone. Emas oge bisa jadi leuwih mahal pas dijual. Bisa dipake jang meuli buku oge, salian ti meuli barang jang kabutuhan pagawean, buku oge jang ngeusian otak pikiran ngameh milu berkembang. Lamun embung meuli barang, leuwih hade mun di investasikeun di pasar uang, ngameh duitna nambahan sorangan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1128", "text": "Pas serangan panik kajadian, penting jang urang tetep tenang oge teu nyalahkeun diri sorangan. Serangan panik lain tanda kelemahan atawa kagagalan, tapi kondisi nu bisa kajadian ka saha wae oge. Penting pisan jang ngaku oge narima yen urang ngalaman serangan panik, jeung neangan bantuan profesional lamun bisa. Lamun serangan panik kajadian, urang kudu nginget yen gejalana bakal eureun sairing waktu jeung moal lumangsung salilana. Urang bisa nyoba teknik pernapasan oge meditasi jang mantuan meredakan rasa hariwang. Tapi mun serangan panik kateterusan jeung mangaruhan kualitas hirup urang, penting jang neangan bantuan profesional. Psikolog atawa psikiater bisa mantuan urang ngarti kondisi urang jeung mere saran sarta terapi nu efektif jang mengatasi kecemasan jeung serangan panik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5925", "text": "Pernah aya kasus pembegalan di siang bolong daerah Bandung nu dilakukeun ka siswa SMA. Jadi, uih sakola teh siswa SMA nu dua orang naek angkot tujuan ka imahna. Dina angkot teh ngan aya opat penumpang, termasuk anjeunna jeung baturna oge aya bapak-bapak duaan nu tos aya tiheula. Geus di tengah perjalanan teh jol we bapak-bapak nu duaan ngenta paksa hape barudak SMA eta bari nodongkeun senjata jiga peso. Barudak SMA teu bisa ngalawan nanaon, kur bisa nyerahkeun hapena masing-masing bari diliput ku rasa sieun kabina-bina. Tuluy pas di jalan sepi, eta barudak SMA teh diturunkeun we di sisi jalan. Kasus ieu teh sempet viral sababaraha bulan katukang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4341", "text": "Giveaway atawa undian liwat media sosial anu sering di jieun ku publik figure boh artis anu biasa di tv, selebgram atawa youtubers. Undian ieu rupa rupa aya anu mere duit aya oge anu mere barang barang, ieu di jieun oge rupa rupa maksudna aya anu emang pagawean na ari keur kerjasama jeung brand jeung aya anu di jieun personal. Niat na mah alus, inti na nya hayang babagi ka followers atawa ka jelema anu geus ngadukung. Salah sahiji influencer atawa selebgram anu mindeng ngayakeun giveaway nyaeta fadil jaidi. Urang oge mindeng miluan jeung pernah meunang duit 300 rebu. Urang mimitina ngan komen hungkul dina story instagram na yen urang butuh duit keur meuli kuota. Teu lila ujug ujung dm urang di bales tuluy di bere, urang teu nyangka pisan reuwas tapi oge bungah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9237", "text": "Harita sakola kuring keur ngayakeun lomba pekan olahraga dan seni. Aya seueur lomba olahraga jeung seni anu bakal dilakukeun ku kabeh siswa di sakola kuring. Kelas kuring teh aya di lantai pang luhurna, nyaeta lantai tilu. Ti luhur kuring ningali keur aya lomba futsal di handap teh. Kuring ngegeroan babaturan kuring ti luhur teh, tapi manehna teu ngalieuk wae, kalah terus weh ngoper bal. Ku kuring teh digeroan deui beuki tarik, tapi anggeur manehna teh teu ngalieuk oge. Sakali deui kuring ngagorowok leuwih tarik ti samemehna, jol manehna teh ngalieuk ka luhur. Pas ditingali epek teh lain babaturan kuring, eta mah batur, duka kuring oge teu wawuh eta saha. Era pisan harita teh, untung kuring di luhur, jadi kuring bisa kabur asup ka kelas. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "313", "text": "Inget keneh awal taun 2010 nini urang ngantunkeun dipayuneun urang jeung dulur-dulur. Tapi harita kaayaanna emang pikarunyaeun, sabab nini urang geus parah boga panyakitna. Nepikeun anak-anakna jeung incu na ge geus ngaikhlaskeun lamun enya nini rek ngantunkeun mah. Harita urang aya di gigireunna milu ngariung jeung dulur-dulur sejen. Samemeh ngantunkeun, nini urang ngucurkeun cai panon sanajan socana mah tos nutup. Tuluy tidinya dibantuan ku bapak urang jang nungtun nini ngucapkeun kalimah syahadat. Teu lila nini ngantunkeun, teu karasa cai panon urang milu ngucur tapi buru-buru disusut ku baju sabari nutupan beungeut urang ku baju eta. Tuluy hulu urang nundukeun kana sampean nini bari menta hampura lamun urang aya nu salah.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4299", "text": "Kahaliran budak nyaeta momen bahagia anu pasti di tunggu tunggu ku sakabeh kolot, tapi kumaha lamun momen bahagia jeung di tunggu tunggu eta berubah jadi momen sedih pas orok na lahir, orokna di vonis boga panyakit. Eta anu di rasakeun ku sababaha ibu ibu, kamari basa urang nganter babaturan pariksa jaitan kurut kacilakaan di rumah sakit, urang ningali ibu ibu anu kakara ngalahirkeun terus orokna leutik keneh di vonis gagal ginjal. Pasti rasa nyeri pisan hate indungna, ningali budak saleutik eta geus menderita siga kitu. Lamun bisa sigana indung na leuwih milih maneh na anu gering di vonis kitu daripada anak na.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1007", "text": "Sabab kaasup di tim karawitan kampus, urang jadi salah sahiji nayaga nu tugasna dibagian saron. Sabenerna urang cadangan di tim karawitan teh, tapi aya tim anu teu bisa ngaluuhan kana hiji acara jadina urang penggantina. Harita teh maen di hotel jang manekeun alat musik tradisional jeung tari tradisional, acarana nyaeta acara kawinan. Urang geumpeur pisan pas naek ka panggung, sanajan teu sorangan nu aya di panggung tapi sieun. Sieunna teh salah mukul saron atawa salah tempo kagancangan atawa lambat teuing. Jadi ngaruh kana pikiran urang, anu tungtungna mah beuki sieun sabab nu geus dihapalkeun dina pipikiran teh jadi kalangkabut, sieun pas urang maen henteu memuaskan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2064", "text": "Salah sahiji nu kuring bangga nyaeta ker basa meuli hape merek iphone ti hasil tabungan , diidnya kuring boga babaraha prinsip yen Meuli kapasitas Hp na kudu minimum 128GB, komo deui game dina AppStore pisan metot sarta sababaraha badag, nepi ka ampir 5GB. Dina 2020, panyimpenan 64 GB geus leutik teuing. Naon deui, iPhone 11 gaduh kaméra anu saé, janten upami anjeun resep fotografi ponsel, bayangkeun 64 GB malah leutik teuing. Pidéo iPhone 11 ogé 4K 60FPS, janten peryogi langkung seueur panyimpenan. IPhone ogé mangrupikeun smartphone anu tiasa dianggo pikeun jangka panjang, janten langkung saé mésér panyimpenan anu ageung dina waktos anu sami, tapi cekap pikeun 4 taun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9529", "text": "Kabingah anu dirasakeun nalika anu kuring alaman sapertos ngambang di langit nalika kuring nguping beja yen lulus ujian. Aya rasa lega anu teu bisa dijelaskeun sarta kabagja anu teu aya watesna tur terus diukir dina beungeut kuring. Rasa bungah ieu lain ngan ukur dirasakeun ku kuring sorangan, tapi oge ku jalma-jalma anu deukeut pisan jeung kuring. Jalma-jalma anu salawasna ngadukung kuring salila ieu. Ieu ngabuktikeun yen usaha jeung tekad nu urang geus lampahkeun, dibayar total kalawan hasil nu nyugemakeun. Lulus ujian lain ngan ukur prestasi akademik, tapi oge bukti yen kuring sanggup ngahontal cita-cita nu samemehna geus ditangtukeun. Ngahatur syukur pisan ka Gusti dipaparin beja anu matak sumringah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8999", "text": "Cara anu katujuh, nyaéta terang iraha sareng kumaha cara ngagunakeun telepon sélulér anjeun. Upami anjeun leumpang ka bumi sareng anjeun terang anjeun nuju dituturkeun ku batur, cokot ponsel anjeun teras telepon batur atawa kulawarag sareng béjakeun dimana anjeun ayeuna, teras ngobrol dugi ka nyampe ka tujuan anjeun. Cara anu kadalapan, nyaéta indit ka tempat anu ramé. Upami anjeun ngarasa aya anu diturutan ku urang asing, geura-giru ka warung kopi, réstoran atanapi toko. Upami wengi, tong hariwang, aya toko, apotik sareng SPBU anu bakal buka 24 jam. Anjeun bakal ngarasa leuwih aman jeung dikurilingan ku loba jalma jeung anjeun bisa ménta bantuan batur lamun perlu, ngadagoan batur nyokot anjeun utamana babaturan atawa kulawarga.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5519", "text": "Ceuk kolot baheula mah mun jelema ditembongan ku jurig atawa diganggu teh bakal meunang rezeki nomplok. Pernah kacontoan aya hiji tukang sate nu sok balik peuting jeung ngaliwatan kuburan. Hiji peuting, di kuburan eta teh aya nu anyar maot, jadi hawana teh keueung pisan. Pas ngaliwatan kuburan, eta kalap pisan tukang sate sabab di luhur kakalayangan hulu hungkul. Hulu eta teh ngungudag si tukang sate nepi ka beres batas kuburan. Tukang sate eta buru-buru we balik ngabret bari sieun kabias. Isukna, tukang sate karek tilu jam dagang geus beak satena, jadi balikna samemeh magrib. Tah tidinya karek palercayaeun yen ditembongan ku jurig teh malahan mawa rezeki nomplok ka manusa.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "323", "text": "Ti saprak wisuda Februari 2019 urang ngarasa bingung kahareupna rek kumaha, sabab geus tilu taun ngagugulung daftar beasiswa LPDP tapi hasilna nihil, unggal daftar pasti gagal wae. Nepikeun sok aya pikiran mun baheula teh urang fokus neangan gawe meureun ayeuna urang geus boga pangalaman gawe, jeung boga posisi jabatan kawas babaturan nu sejenna. Tuluy duit ge loba bisa kukumpul jang kawin, sabab ninggali babaturan mah geus kawin. Tapi lamun mikir kadinya urang sok reflek ngucap Astagfirullah, sabab naon wae nu ku urang jalanan geus aya catetanna ti Gusti Allah SWT. Tidinya urang sok inget deui kana tujuan awal yen urang teh hayang ngangkat derajat kulawarga.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "3024", "text": "Diagnosis agoraphobia kedah dilakukeun ku psikiater. Dokter bakal naroskeun ngeunaan keluhan anu anjeun alami, sabaraha sering keluhan ieu kajantenan, sareng dina kaayaan naon. Sering penderita hésé pikeun nganyatakeun parasaanana, ku kituna biasana peryogi sababaraha rapat pikeun tiasa netepkeun diagnosis agoraphobia. Diagnosis agoraphobia dijieun dumasar kana kriteria diagnostik psikiatri DSM-5. Dina DSM-5, kriteria diagnostik pikeun agoraphobia, nyaéta kasieun atanapi kahariwang anu dipicu ku paparan anu pasti atanapi tiasa diprediksi ka 2 atanapi langkung tina kaayaan di handap ieu: Ngagunakeun angkutan umum. Janten di daérah terbuka. Keur di wewengkon katutup. Nangtung dina antrian atawa riungan. Kaluar sorangan ti imah. Panyakitna ngahindar tina kaayaan di luhur sabab yakin bakal ngarasa kajebak atawa teu bisa menta tulung lamun ngalaman serangan panik.\r\nKaayaan di luhur sok nimbulkeun panik atawa kahariwang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8247", "text": "Serangan panik atawa panick attack nyaeta mecenghulna sieun kaleuleuwihan anu lumangsung ujug-ujug sarta bisa lumangsung sababaraha menit. Tanda atanapi gejala serangan panik anu anjeun kedah awas kalebet palpitations atawa jantung ketukan gancang sarta henteu teratur. Teras kesang, awak oyag, ngarenghap napas, asa kawas dicekek, nyeri dada atawa dada karasa teu geunah, seueul jeung teu ngarareunah burih, sirah karasa lieur jeung hayang pingsan, sensasi heuras, sieun teu tiasa ngandalikeun diri atawa kaluar kontrol, tur ngarasa sieun maot. Kusabab eta, lamun ngarasa salah sahiji atawa leuwih tina gejala salah sahiji jenis ieu gangguan kahariwang, eta saena pikeun geuwat dipariksa kaayaan kaséhatan anjeun ka dokter nu dipercanten.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8515", "text": "Hiji poe, saurang awewe nu ngaranna Maya keur leumpang muru koridor kantor, manehna nempo babaturanana, David. Tanpa pikir-pikir, anjeunna gancang ngagero ngaran baturna, nanging ku ngaran Adam sanggeus sababaraha waktu, manehna sadar yen ngaran sobatna lain Adam, tapi David. Manehna jadi era jeung ngarasa kawas beungeutna beureum panas. David anu reuwas ku Maya salah ngagerowan, neuteup ka manehna bari bingung. Maya langsung menta hampura sarta ngajelaskeun yen manehna salah ngucapkeun ngaran. David ngartos pisan jeung maafkeun Maya, tapi Maya masih era pisan jeung ngarasa kawas sakabeh panon di kantor ngahurungkeun dirina. Dina sababaraha menit, Maya geus nungkulan isin sarta ngobrol jeung David sakumaha biasa. Manehna meunang leuwih isin sarta lega yen David teu nahan dendam kusabab salah nyebut ngaranna. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "8992", "text": "Nalika kuring leutik, upami kuring tuang, kuring kedah nyandak tuangeun nalika maén. Basa kuring keur ngararasakeun ngadahar sangu goreng buatan indung kuring, ujug-ujug aya ucing nyodor kuring terus ngadeukeutan piring kuring. Ucing teh geus ditajong kaluar, tapi anjeunna masih datang deui ka piring kuring. Kuring nangtung ajeg ngajauhan ucing, masih nuturkeun ogé. Nalika kuring lumpat anjeunna malah ngudag kuring, kuring sieun sareng ampir ceurik. Waktu keur diudag ku ucing teh, kabéh tatanggana ngalalajoan tibatan nulungan kuring, jadi kuring ceurik nepi ka balik ka imah. Waktu keur di imah, kuring dipapatahan ku indung kuring, cenah mun dahar teh ulah sok baru ulin. Isukna, ku sabab karunya ka si ucing, kuring mere hayam suir tuluy disimpen di hareupeun gerbang.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "734", "text": "Salila urang teu salah mah, ulah cicing wae mun ditonjok teh. Komo mun posisi urang bener, nu aya mah kudu dilawan. Lantaran nu kieu teh loba, jeung mun diantepkeun teh korbanna malah ngalobaan jeung kaasupna jadi bullying. Urang ambek da pas ninggali di TV aya hiji murid nu diteunggeulan ku babaturanana saloba limaan, manehanana cicing bari tungkul da rek ngalawan teu wani. Mun urang diposisi eta geus pasti ku urang lawan, sanajan 10 urang oge, lantaran urang boga harga diri. Embung mun nepikeun diri urang ditincak-tincak ku batur mah, komo deui urang teh lalaki. Mun geus dilawan mah nu enggeus-enggeus ge tara daek deui neunggeul.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6981", "text": "Nembe tilu poe abdi pindah ka kontrakan anyar di daerah Bandung. Abdi pas enjing-enjing pisan ngadangu aya nu raribut. Lantaran panasaran, abdi langsung ningal ti jandela , epekteh aya hiji urang anu diusir ti kontrakan lantaran teu mayar tos dua sasih leuwih. Anjeunna tos sababaraha kali mohon-mohon supados dipasihan waktos saminggon deui kanggo ngalunasan kontrakan lantaran manehna nembe di-PHK jeung ditipu ku batur, tapi nu gaduh kontrakan tetep keukeuh manehna kedah kaluar ayeuna keneh lantaran bakal aya jalmi anu sanes anu bakal nempatan eta kontrakan. Sabari ceurik manehna langsung ngabungkusan barang-barang nu aya di kontrakan sabari teu acan apal bakal sare di mana peuting ieu. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5637", "text": "Abdi kacida reuwasna basa nuju meser es krim di MCD terus ningali ti kajauhan aya nu calik nuju emam duaan. Abdi tenget pisan kana pangawakanna. Jangkung, bodas, awakna lenjang, rambutna rapih, terus topina oge wawuh. Pas ditengetkeun teh jiga topi nu ti abdi, jigana eta tunangan abdi. Teu biasana anjeunna dine in didieu, duaan deuih jeung awewe. Abdi langsung ngontrog we, eh bener eta tunangan abdi jeung salingkuhanna. Abdi meuni kesel, salingkuhanna di banjur we make minuman nu dihareupeuna. Abdi tuluy ngaleos we kaluar buru-buru da ambek pisan. Eta tunangan abdi kalah ngabelaan salingkuhanna, abdi ngarasa nyeuri hate pisan ti harita. Meuni jengkel pisan hate abdi.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7806", "text": "Basa mineng ka kampus keneh, abdi mineng mondok di kampus lantaran aya sekretariat organisasi anu tiasa dipake mondok sabab aya kasur, anggel, jeung simbut. Sekre ieu tempat na misah sareng kelas-kelas anu dipake kanggo diajar. Di sekre oge aya kamar cai sorangan. Kamar cai ieu sok dipake ku barudak sekre kanggo mandi, ngising jeung papang. Hanjakalna kamar cai sekre teh aya nu mangpet janten lamun aya jalmi anu kaburu asup ka kamar cai eta, manehna moal bisa ngabanjur tilas ngising jeung papangna lantaran lobangna mangpet. Janten wayahna manehna kedah nutup eta kamar cai jeung diantepkeun nepikeun eta saluranna dibenerkeun, bau na nguar kamamana. Rujit pisan. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6938", "text": "Kaluar ti tempat gawe abdi ayeuna, abdi nyobian miluan tes CPNS kanggo janten PNS. Abdi kaluar ti tempat gawe ayeuna lantaran ngarasa teu cocok ku gaji jeung jadwal gawena anu teu sasuai. Pendaptaran CPNS tos dibuka, aya sababaraha tahap anu kedah dilaksanakeun. Abdi sabenerna ngan gaduh waktos sakedik kanggo nyiapkeun ujian, eta oge abdi nyiapkeunna sabari digawe di tempat sateuacanna janten teu pari fokus. Basa nyiapkeun kanggo administrasi oge abdi ngarasa hese lantaran kedah nyiapkeun sadayana nyalira sabari nuntaskeun tugas di tempat gawe anu seeur pisan saprak ngadangu kabar abdi bakal kaluar ti dieu. Hanjakal abdi gagal di tes seleksi administrasi lantaran aya data anu kirang lengkap. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7849", "text": "Abdi resep pisan kana manggu, lamun meser manggu atawa dipasihan manggu ku batur, abdi bakal atoh pisan, emam hiji wae oge moal cukup. Tapi hanjakalna buah manggu teh mineng buruk, janten sateuacan milih teh kedah mastikeun heula tina kulitna, lamun kulitna sae, teu aya nu bolong biasana jerona oge sae, sabalikna lamun bagean kulitna aya nu bolong atawa rada kempes ka jero, biasana jerona oge geus buruk. Abdi nyandak dua manggu, duduana buruk lantaran kulitna oge kirang mulus, jerona teh warnana koneng sanes bodas, tina bauna oge geus kaambeu buruk, lebar pisan padahal buahna rada gede, tapi kalahkah kedah dipiceun. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8157", "text": "Pikeun nungkulan demam panggung aya babaraha cara nu sederhana nanging efektis nu tiasa dilakukeun. Saacan tampil biasakeun urang ku latihan. Teras ngabatasan ngonsumsi kadaharan atanapi inuman nu ngandung seueur kafein tur gula. Ulah fokus ka kasalahan-kasalahan cekap pikirkeun kasuksesan urang tampil dihareupeun batur. Diajar teknik pernapasan nu tiasa nenangkeun awak nyalira. Janten diri nyalira tur bersikap natural. Upami tos aya di luhur panggung aya trik-trik oge nu tiasa dilakukeun. Trik pertama fokus ka beungeut nu lalajo urang supados katempo darehdeh. Seuri nu halus pikeun ngabantos awak urang janten rileks tur tenang. Usaha nyayogikeun nu pang saena kanggo batur nu lalajo.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5307", "text": "Mun hirup ngarantau mah, urang kudu bisa diajar mandiri. Sagala rupana kudu bisa dicumponan ku sorangan. Mulai tina ngatur kauangan ku sorangan, nyumponan kabutuhan makan ku sorangan, jeung sajabana. Intina urang bakal diajar hirup beneran di masyarakat. Anggap we simulasi jeing kahirupan kahareupna nu bakal kasorang. Komo mun ngarantauna jauh mah, kudu nyisihkeun panghasilan jang ongkos. Can kabutuhan lain jiga meuli tooken listrik, meuli sabun, meuli kuota, jeung sajabana teh istunding diatur ku sorangan. Mantak didinya skill kamandirian urang teh dimunculkeun jeung diasah supaya bisa siap ngahadapi kahirupan nu sabenerna di masyarakat. Tong dibawa pusing atawa sedih, jalani we naon ayana supaya urangna teu jadi beban.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8972", "text": "Waktu harita kuring jeung babaturan keur ulin di kebon mangga nu tatangga. Di dinya urang ningali buah mangga ngora anu katingali saé lamun didamel rujak. Pamustunganana, urang ngabagi tugas, aya nu mawa alu, gula beureum, cabe, péso jeung nu nyokot eta buah mangga ngora. Kuring kabagian nyandak buahna, waktos éta teh kuring nyandak tilu buah. Geura urang mesek jeung nyieun rujak tina buah nu tadi dipelak. Bakat ku sieun dicarékan ku tatangga pedah nyokot buah teu idin, kumargi kitu, saparantos ngarujak, sim kuring sareng rerencangan angkat ka bumi tatangga sareng ngaku yen urang nyandak mangga teu idin. Untungna teh urang teu dicarékan, ngan ukur dipapatahan teu meunan nyandak sesuatu lamun teu idin, sabab éta téh sarua jeung maling.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2214", "text": "Di dinya timbul rasa kaduhung anu jero. Teu jarang rasa kaduhung hese dileungitkeun sanajan mangtaun-taun. Saolah-olah aya nu ngahalangan sarta kahayang pikeun nyalahkeun diri salawasna datang nalika urang inget moment éta. Janten, kumaha anjeun nyingkirkeun kaduhung ieu? Naon waé carita goréng dina jaman baheula anu ngajadikeun anjeun kuciwa, anjeun moal tiasa ngarobih. Hiji-hijina hal anu anjeun tiasa laksanakeun nyaéta nampi sadayana éta salaku bagian tina jalur kahirupan anjeun. Sadar yén tanpa pangalaman goréng ieu anjeun moal aya dimana anjeun ayeuna. Satuluyna numutkeun ahli psikolog perkawas rasa nyesel teh, urang bener-bener kudu eureun nyalahkeun saha waé pikeun kajadian-kajadian nu teu pikaresepeun nu geus kaliwat. Beuki mikir saha nu salah, beuki kuat rasa kaduhung narajang hate jeung pikiran. Janten jalma anu wijaksana sareng sadar yén anu kajantenan mangrupikeun takdir anu teu tiasa dirobih. Teuing sabaraha urang néangan saha nu salah, rasa kaduhung bakal salawasna aya. Ku kituna, eureun ngalakukeun éta sakabéh tur mimitian ku diajar ikhlas bakal leuwih ngurangan rasa kaduhung nu aya.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2179", "text": "Waktu keur SD keneh, kuring hayang pisan bisa neruskeun kuliah di UI, sedengkeun cita-cita kembar mah has lolobana budak leutik: jadi dokter, teu paduli nu lulusan mana. Salaku waktu ngalir, kahayang urang robah. Lanceukna kembar kuring hoyong neraskeun kuliahna dina Psikologi-tapi henteu acan mutuskeun di kampus-samentara éta kuring mimiti teu yakin naha kuring hoyong nyandak program studi anu kuring hoyongkeun sareng mimiti ngeunteung. Waktu keur SMA, si kembar ngimpi Psikologi UGM, bari mutuskeun milih program studi Sejarah, Sastra Indonesia, atawa Sosiologi UGM, sanajan kuring masih can yakin hayang nyokot program studi ieu. Urang teu lolos deui di SBMPTN. Waktos ieu, kuring henteu kuciwa teuing, sabab kuring ngartos masih seueur pesaing. Pelajaran anu tiasa dicandak nyaéta henteu sadayana anu urang pikahoyong tiasa dihontal, tapi henteu sadayana anu urang pikahoyong goréng pikeun urang, sareng tetep kerja keras kumaha wae hasilna.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2090", "text": "Ieu carita ngenaan ucing kuring, kuring jalma anu resep pisan nongkrong sareng ucing. Najan kitu, sakapeung kuring sirik ka ucing batur anu unik pisan sareng manja, sabab ucing kuring sorangan mangrupikeun ucing anu apatis, sareng resep lumpat tanpa diganggu nalika maén. Tadi basa kuring ngarasa ambek jeung ngagorowok \"bangsat\" datang ucing kuring luncat kana kasur bari neuteup kuring sakedapan. Kusabab kuring emosi, kuring ngomong ka ucing kuring, \"Ningali naon maneh? Saha ngaran maneh, bangsat?\" Ucing kuring henteu ngajauhan atanapi ngajauhan, tapi anu dilakukeun ku anjeunna ngan ukur ngaletak leungeun kuring sareng meong sareng ngadeukeutan sareng ngadeukeutan kuring. nu ternyata mah eta mangrupikeun salah sahiji ciri ning ucing teh sayang ka kuring, tidinya weh jadi kuring sayang pisan ka ucing.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1019", "text": "Mindengna mah ditodong senjata teh pas posisina keur sepi atawa jauh di pemukiman. Tapi sakapeung mah aya nu ngalakukeunna teh di jalanan, mun kieu mah urang bisa ngajorowok menta bantuan. Lantaran mindeng batur teu nyadar urang keur aya dina masalah, jadi urang kudu mere nyaho maranehna ku ngajorowok menta bantuan. Biasana ku make kecap \"Tolong\" batur bakal nyadar yen urang teh keur dina kaayaan nu bahaya. Urang bisa sabari lumpang mun ngamungkinkeun mah, sanajan urang bisa bela diri, tapi mun ngalawan senjata kawas peso mah mending ge lumpat. Emang mun lumpat teh boga kesan siga pengecut tapi ieu pilihan nu paling alus jang bertahan hirup.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9186", "text": "Waktu keur olahraga kuring ngaliwat ka hiji imah anu di hareupeun imahna loba tumpukan runtah. Sigana teu diurus ku nu nyicingan imahna, siga nu teu paduli kana lingkungan imahna. Kuring kakara kaliwat geus jijik pisan, sabab tempatna kotor pisan, komo deui jeung bau runtahna anu kacida pisan. Malahan kuring bisa ngambeu ti kajauhan, komo jalma anu cicing di dinya. Ahirna kuring nuluykeun olahraga kuring nu katunda sabab kuring nempo heula eta tumpukan sampah. Saatos ningali éta, kuring langsung ngabersihkeun sampah anu aya di sakuriling imah kuring nalika kuring balik ka imah, sanaos sakedik, kuring langsung beberesih supados runtahna teu numpukan sareng ngaganggu kanyamanan batur jeung tatanggi nu sejen.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6280", "text": "Mun nuju liliwetan teh sok aya we jalma anu ongkek atawa jiji mun ningali meuncit hayam teh, komo mun nu dipeuncitna hayam nagari mah. Bororaah ngabantuan meresihan hayamna, ningali jeung ngambeu bau hanyirna ge meuni geus ongkek da seueul kana angen. Mantak, mun aya nu meuncit hayam teh sok tara mimiluanan. Malahan mah sok ngajauh tina nu meuncitna. Jadi, bau hanyir tina getih hayam teh jadi hal nu mantak seueul ka sabagean jalma. Bau hanyirna teh tuda mun ges kana kulit sok hese leungit, sok tuluy we aya bau hanyir na teh, jadi sok kalah ka babaueun ka poe salanjutna teh.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "287", "text": "Pernikahan nu bahagia pasti di pikahayang ku tiap jelema nu geus kawin, tapi aya sababaraha cara jang bisa boga pernikahan nu bahagia. Nu kahiji kawin jeung jelema anu tepat. Nu kadua bersyukur jeung puas, ulah iri ka batur. Kudu fokus kana kabageuran jeung bersyukur sabab manehna jadi pasangan. Nu katilu ulah egois, kudu ngaprioritaskeun kabagjaan pasangan jeung anak-anak. Sabab kabagjaan anak-anak jeung pasangan teh kabagjaan urang oge. Nu kaopat bisa olahraga babarengan, sabab olahraga bisa nyiptakeun perasaan bungah. Nu kalima kudu ngalakukeun pola dahar anu sehat, ngameh mibogaan kulawarga nu sehat, jeung kahindar tinu panyakit, jadina ngahemat duit oge jang berobat.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4672", "text": "Rata-rata jelema anu can pernah aya di kalobaan jelema pasti ngarasakeun panik jeung sieun, komo mun di sitah ngomong hareupeun jalma anu loba moal teu langsung kesangan panik. Di sakola ge kadang sok aya murid anu kasieunan mun di tanya ku guru, boh sieun mun hayang nanya. Kusabab pasti murid nu sejen teh narempokeun, kadang sabulan sakali sok aya presentasi ka hareup ngajelaskeun salah sahiji hal atau materi anu di buku. Sabagen jalma pasti aya anu teu bisa sare komo mun geus tereh giliran presentasi kadang sok ngadadak nyeuri beuteung, ngadegdeg jeung kesangan. Mun bisa mah samemeh rek presentasi teh latihan heula anu bener-bener, apalkeun kabeh materina meh rada ngarti naon wae anu penting tina materi eta. Sabisa mungkin mun keur presentasi tempokeun penontonna, meh anon anu ku urang di jelaskeun teh, batur ngararti jeung paham. Teras tas eta urang kudu nyaho kamungkinan pertanyaan anu di tanyakeun saengges presentasi meh teu kudu mikir lila jeung kalah ngajieun panik ka diri sorangan, soalna rata-rata anu panik keur presentasi mah kalah kah gagal teu apal nanaon teu bisa di teruskeun ku sabab geus kaburu panik", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7595", "text": "Urang kedah waspada di mana wae urang cicing, komo lamun di tempat anyar. Lamun urang ngalaman kajadian anu kurang ngeunah sapertos dituturkeun ku jalmi anu teu dikenal, sae na mah urang langsung asup ka tempat rame sapertos warung atawa mol, pokonamah ulah cicing sorangan, ulah lumpat, komo nantang jalmi anu nuturkeun lantaran urang teu apal motif jalmi eta nuturkeun urang teh jang naon. Bisi manehna aslina lan hiji urang, tapi bareng jeung babaturanna. Urang oge ulah langsung balik ka imah urang, lamun jalmi anu nuturkeun eta apal imah urang, pasti isukna bakal dituturkeun deui atawa manehna oge bisa wae ngantosan di hareup imah urang. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7549", "text": "Lamun bade dicabut huntu anu badag pasti kedah dibius heula, abdi mah sabenerna leuwih sieun ka jarum suntik kanggo bius tibatan pas dicabut huntuna. Lantaran karasa pisan lamun jarum disuntikkeun kana gusi teh pasti nyeri pisan kana gusina. Pernah oge abdi dibius, rasana siga digunting gusina ku dokter gigi. Ayeuna abdi kedah dicabut deui gigina. Asalna abdi nyarios ka dokterna supados teu kedah dibius. Tapi ningal resikona anu lumayan badag, dokterna tetep ngabius kuring. Pas eta jarum bade diasupkeun kana gusi, abdi langsung pereum. Pas jarumna tos ditojoskeun kana gusi abdi langsung ceurik lantaran nyeri pisan. Nepikeun eta huntu tos dicabut oge tilas disuntikna masih keneh karasa. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5588", "text": "Biasana mun nuju hamil mah pasti seueur kahoyong nu kacida ngelayna, disebutna teh ngidam. Tah ceuk kolot baheula mah lamun ngida teh kudu diturutan sabab mun henteu bakal jadi mamala ka si utun nu dikandung na. Misalna ngidam dahareun, kudu pisan dicumponan ku cara dibeulikeun sasuai jeung kahayangna. un teu diturutan bakal nyieun si utun na ngelay mun geus lahirna teh nepi ka gede. Mun kaliwat atawa poho oge angger pas si utun geus lahir mah dahareun nu dipikahayang na teh kudu diledatkeun kana biwirna supaya teu jadi ngelay sabab aya kahayang dahareun. Hal ieu teh teu bisa dibuktikeun ngan tapi bener ayana.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4330", "text": "Lamun urang kapanggih jeung babaran lila teh rasana bungah pisan, komo lamun ningali yen babaturan urang teh geus jadi jelema anu sukses ayeuna tapi tetep teu ngarubah tetep jadi babaturan iga jaman baheula. Minggu kamari urang jajan seblak ka warung seblak anu geus lumayan terkenal, urang teh geus lumayan sering kadinya, urang teh teu apal yen anu boga warung seblak eta teh babaturan urang nu geus lila ti jaman sakolah SMP keneh. Mimiti kapangih urang teu sangka yen anu ngalangan babaturan sakola urang baheula, urang duaan reeuwas yen urang kapanggih didinya tuluy urang duaan bungah tuluy loba carita kumaha kahirupan urang ayeuna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9181", "text": "Jaman kuring leutik keneh, lamun ulin jeung babaturan kuring resep ulin di sisi jalan hareupeun imah, kabeneran aya jarak anu lumayan lega. Biasana urang ulin keusik, ulin sapedah, atawa ulin udag-udagan. Basa kuring keur ulin udag-udagan jeung babaturan, ujug-ujug aya mobil nu ngaliwat terus nyiduhan tina jandela. Ciduhna beunang kana suku kuring, kuring langsung ceurik lantaran ngarasa jijik. Hayang ngudag mobilna, tapi kuring leutik keneh bari mobilna geus jauh oge. Kuring langsung balik ka imah kuring ngadu ka bapa kuring yen kuring beunang kana ciduh batur. Tapi tetela bapa kuring oge malah nyarekan sabab ulin di sisi jalan teh bahaya oge, ahirna kuring sadar. Saprak harita kuring geus teu ulin di sisi jalan deui.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "8153", "text": "Tiara ti leuleutik resep pisan nu ngarana nyanyi. Sanajan teu dileskeun nyanyi ku kolotna nanging seueur jalmi nu nganggep sora Taiara teh sae pisan. Salila ieu Tiara nyanyi ngan saukur seneng-seneng hungkul teu dijantenkeun profesi sapertos penyanyi profesional. Paling banter manehna kantos nyanyi di acara ulang taun babaturanna. Tetela di acara ulang taun babaturanna ieu aya produser musik nu ngadangu sora Tiara keur nyanyi. Tiara ahirna diajakan rekaman tur ngarelease lagu. Laguna viral pisan kakoncara dimana-mana. Tiara seueur diundang ka acara-acara. Kusabab can kantos nyanyi dihareupeun seueur jalmi Tiara ngaraskeun sieun kusabab demam panggung. Sieun ekspektasi batur teu saluyu sareng kamampuan Tiara. Tetela naon nu dipikasieun ku Tiara teu kajadian kabeh nu ngadangu Tiara nyanyi emprak sarerea.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2912", "text": "Aya sababaraha tips sangkan urang teu panik nalika ngalakukeun kagiatan ngojay, diantarana 1) Ngawasaan teknik ngojay, kahiji\r\nNalika aya anu ngojay, tilelep mangrupikeun hal anu paling sering dipikahariwang ku kalolobaan jalma. Sanajan tilelep ogé bisa lumangsung lamun teu boga kontrol alus bari di kolam renang, utamana lamun ngarasa leuwih panik, teu mustahil anjeun bakal langsung tilelep. 2) Biasakeun ngabaseuhan sababaraha anggota awak anjeun dina kolam renang, langkung saé sateuacan ngalaksanakeun latihan ngojay ieu anjeun mimiti ngabasahi sababaraha awak anjeun ku cai, atanapi anjeun ogé tiasa nempatkeun suku anjeun heula kana kolam renang, sareng 3) Mimitian lalaunan, Léngkah-léngkah awal tiasa calik heula di tepi kolam renang, teras mimiti asup ka kolam renang, upami jalma éta henteu betah anjeun henteu kedah maksa, sabab ieu ngan bakal ngajantenkeun anjeunna langkung panik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2439", "text": "Teu kurang aneh ti carita hantu legendaris ieu ti Inggris. Carita dimimitian di Highgate Pond, Inggris. Nalika filsuf sareng élmuwan Sir Francis Bacon (circa 1626) gaduh argumen sareng sobatna, Dr. Witherbone, ngeunaan cara ngawétkeun hayam.\r\n\r\nBacon diideuan ku cara pamayang ngala lauk asin, teras nerapkeun téknik anu sami. Tapi dibéré robah saeutik, hayam. Anjeunna ogé nyandak hayam jalu, dipeuncit sareng dibersihkeun, teras dieusi salju.\r\n\r\nDaging hayam teu ruksak sanggeus leuwih ti saminggu disimpen dina husks katutup. Lajeng kalawan kapercayaan, Bacon diolah kana sababaraha ménu.\r\n\r\nSababaraha dinten saatos tuang éta, Bacon ngalaman nyeri beuteung anu aneh. Nepi ka manéhna ngagolér dina ranjang salila sababaraha minggu, saméméh manéhna maot.\r\n\r\nSaatos éta, seueur warga Highgate Pond ngalaporkeun ningali hayam jago tanpa sirah bertengger di sekitar bumi Bacon. Hayam ngaléngkah kawas hayam jago biasa, ngepak-ngepak jangjangna jeung ngoréjat taneuh ku cakar.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2108", "text": "Yeay, ahirna abdi oge tiasa ngawaler patarosan ieu, kajadian anu sabenerna lumangsung rada lila di bulan Juni 2022, jadi kieu caritana. Sore-sore ngagulung-ngagulung carita WA, ningali carita babaturan, cenah aya artis A deui, syuting di kampung kuring, panasaran, kuring langsung ngecek ig story artis, da bener manehna syuting di kampung kuring, balik ti sakola langsung mawa sapedah pikeun mastikeun eta bener masih aya atawa henteu, sabab éta tempat dimana kuring syuting jalur sapédah kuring dina weekends. Anjog ka lokasi teh rame pisan da loba jelema jeung mobil, oh heueuh manehna keur syuting di hiji SMA, ngan tepi ka sawah, pamandanganana alus pisan. Biasana kuring jalma anu wani jang nyamperkeun langsung ka artis idola teh, nya kukuring dilakukeun weh jeung alhamdulilah na bisa foto bareng jeung malah foto nu disimpen teh di tanda tanganan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "289", "text": "Lamun ditinggali dina batas usia ideal jang kawin nu ditetepkeun undang-undang teh nyaeta 19 taun. Tapi ngarujuk ka BKKBN, kawin dini di antara rumaja usia belasan taun loba nu kajadian sabab alesanna adat atawa hamil di luar nikah. BKKBN oge ngalaporkeun lamun leuwih ti 50 persen kawin dini teh akhirna papisah alias cerai. Sabab loba anak rumaja nu acan cukup dewasa dina segi cara mikir jang mereskeun masalah nu aya jeung kurang pangalaman oge nyanghareupan konflik anu aya di rumah tangga, anu tangtuna beda pisan jeung jaman bobogohan. Leuwih alusna kawin di usia 25 taun ka luhur tibatan kawin belasan taun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6943", "text": "Basa keur leutik, abdi pas janten budak SD pernah dipasihan tontonan anu nyingsieunan abdi. Pas abdi lalajo eta pidio di sakola abdi reuwas pisan. Abdi karek sadar pas balik ka imah abdi janten kaingetan vidio anu tadi ditonton di sakola, abdo janten tiasa bobo. Abdi nyangkana abdi teu tiasa bobo na ngan wengi ieu hungkul, tapi nyatana abdi teu tiasa bobo unggal wengi nepikeun dua minggon. Abdi te wantun nyarios ka sasaha lantaran sieun upami nyaritakeun ka batur, bisi kainget deui ka pidio eta. Butuh waktos mangtaun-taun kanggo ngaleungitkeun memori anu nyieun abdi sieun eta. Lamun diinget-inget abdi sok janten ngarasa ambek ka guru anu masihan tontonan any nyingsieunan kitu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6369", "text": "Ayeuna mah keur usum model baju kameja bunga-bunga. Biasana mah sok seueur anu meser sabab keur trend pisan. Kaciri ku lobana nu make baju samodel jeung samotif. Warna na oge deuihan mun henteu pink, warna hideung atawa cokelat. Jigana teh emang euweuh deui nu sejen nu dipikahayangna teh. Mun ka mana-mana teh sok loba nu kembaran bajuna padahal teu silih wawuh. Biasana oge deuihan meulina teh sok di Shopee atawa Tiktokshop da sabab murah tea jeung deuih gratis ongkir. Salian eta, model tiung nu na ge sarua, rata-rata sok make tiung nu segi empat. Model tiung na ge sok sarua, ngan ditalikeun ditukang hungkul.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "6004", "text": "Dina ngahaja uih ka imah ninina sabab sieun dicarekan ku kolotna pedah balik peuting teuing. Harita Dina balik peuting pisan sabab beres ulin kapeutingan jeung babaturanna. Tos wengi teh Dina alimeun uih ka bumi sabab bisi dicarekan ku kolotna, mantak uihna ka imah ninina. Dina ngahaja ngendong di ninina pake alesan supaya teu dicarekan. Isukna nembe uih ka imah bebejana ngendong ti burit di ninina. Padahal mah teu kudu ngabohong, jujur we ka kolot mah da dicarekan ge pake kabeneran, lain asal nyarekan wae. Barijeung kasalahan sorangan, kudu wani tanggung jawab. Dina harita ngabohongan kolotna da saking ku sieunna dicarekan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2456", "text": "Dina waktos éta anjeunna ngalaman keluhan kaséhatan, sarta mutuskeun pikeun neangan perawatan di rumah sakit badag di kota Depok. tanpa pamariksaan anu ngadukung, anjeunna dihukum ngagaduhan masalah jantung sareng kedah langsung dipasang. Dokter masihan katerangan ngeunaan cincin anu dimaksud ku ngabocorkeun perkiraan harga anu rada ageung. Sanggeus balik ti rumah sakit, indung kuring mikir ngeunaan eta sadaya waktu jeung bener depresi. Anjeunna terus naroskeun patarosan ngeunaan putusan sareng mutuskeun pikeun milarian pendapat kadua ti profesor di rumah sakit jantung pusat di Jakarta. Pulang ti rumah sakit pusat ieu, anjeunna lega sabab profesor ngan nyebutkeun yen masalah indung kuring ngan masalah biasa ngalaman ku sepuh. Teu aya putusan haté, teu aya panggero pikeun masang ring, balik ka imah ukur resep vitamin.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7580", "text": "Saha anu teu sieun kana gogog atawa anjing. Sasatoan anu gaduh sora anu pikaseuneun ieu biasana sok dijadikeun sasatoan anu ngajagaan imah batur, janten lamun aya jalmi anyar anu asup atawa datang ka imah nu bogana pasti bakal digonggongan ku anjing. Basa abdi nuju balik sakola, abdi kapaksa kedah jalan sakedik di sisi jalan gede lantaran teu aya angkot. Poe eta angkot nuju dararemo janten abdi kedah mapah ka imah, pas di hareupeun salah sahiji imah abdi ningal aya anjing di dinya, aya dua anjing. Pas ngaliwat, abdi ningal panon anjing eta, teu lila kuring diudag ku anjing sabari digonggongan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9187", "text": "Di imah kuring, unggal jalma dibagi tugasna masing-masing, aya anu nyeuseuh piring, nyeuseuh baju, masak, ngalipetkeun baju, ngajemur baju, sareng ngaluarkeun runtah. Lamun pakasaban kuring di imah nyaeta nyeuseuh baju. Kuring kedah gugah énjing supados tiasa nyeuseuh baju sateuacan angkat ka sakola. Dina hiji poe, adi kuring, anu tugasna miceunan runtah hudangna telat pisan, jadi teu boga waktu keur miceun runtah. Tétéla éta runtah numpuk pisan poé éta alatan geus tilu poé teu di piceun. Kuring jijik pisan sebenerna lamun kedah ngabersihkeunana, pangpangna mah aya tei ucing ogé di jerona. Ahirna mah, lantaran kapaksa, kuring ngabersihkeun tumpukan runtah tuluy ngalungkeun ka TPA badag di luar komplek.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "238", "text": "Indonesia jadi salah sahiji nagara nu boga tingkat kriminalitas pangluhurna tina kasus penipuan. Modus penipuan oge ayeuna mah henteu kawas baheula, anu ngahipnotis di tempat umum. Tapi ayeuna mah penipuanna ngagunakeun teknologi anu salah sahijina teh penipuan undian berhadiah. Dara ti Badan Siber dan Sandi Negara (BSSN), serangan siber ti bulan Januari nepika bulan Agustus geus aya 189.937.542 kasus atawa hampir lima kali lipatna ti taun saacanna. Modus nu paling loba teh nyaeta phising. Sacara sederhana, phising dilakukeun ku penipu anu carana teh mere calon korban tautan ka hiji situs web palsu nu bakal maok data pribadi, sga nama lengkep, alamat, nepika nomor kartu kredit.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9525", "text": "Pikeun ngarasa bagja ditampi di universitas, aya sababaraha hal anu tiasa urang laksanakeun. Kahiji, pastikeun urang minuhan sarat anu diperlukeun ku universitas. Ieu kalebet gaduh sasmita anu sae ti SMA atanapi atikan sateuacana, oge nyandak perlengkapan dokumen anu diperyogikeun universitas. Kadua, neangan informasi ngeunaan program studi anu urang hayang di universitas, sangkan bisa nyiapkeun kalawan hade. Katilu, pastikeun urang ngintunkeun dokumen pendaftaran sagancangna, supados urang tiasa ditampi di universitas anu dipikahoyong. Anu pamungkas, ulah hilap nyuhunkeun bantosan ti anu sanes, sapertos guru atanapi kolot, dina nyiapkeun persyaratan pikeun anjeun daftar ka universitas. Ku ngalakukeun hal-hal ieu, urang bakal ngagaduhan kasempetan anu langkung ageung pikeun ditampi di universitas anu dipikahoyong.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9163", "text": "Kuring boga seueur ucing di bumi, ti anu ageung dugi ka anu alit sadayana aya. Sareng sadaya kulawarga kuring ogé resep maén sareng ucing di bumi. Tapi aya hiji hal anu paling teu dipikaresep ku sarerea di imah, nyaeta lamun ucing di imah geus modol, sarta pasti moal aya nu hayang beberesih, iwal adi kuring. Anjeunna oge teu daek pas ditaros mah, tapi kumargi teu aya nu kersa, nya kapaksa, akhirna ngabiasakeun. Tapi sakali kuring ditinggalkeun sorangan di imah, sarta dina waktu éta kuring lapar sarta hayang masak di dapur, tapi tétéla yén di dapur aya tai ucing dina lantai gigireun wastafel. Kuring embung meresihanna, tapi kudu beberesih da sieun ditincak ku suku kuring jeung bauna oge ngaganggu. Kuring nyoba nahan bau tai na nepi ka kuring make masker ngarah teu bau, tapi masih bau jeung kuring ampir utah alatan jijik ku bau tai ucing. Sarta sanggeus éta kuring langsung disemprot pewangi ambéh bau tina kokotorna gancang ngaleungit.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5190", "text": "Tips supaya bisa papanggih jeung idola urang. Nu kahiji nyaeta meuli tiket konser. Tah mun dina konser mah urang pasti bakal papanggih jeung penyanyi idola urang. Pasti psan eta mah moal henteu. Nu kadua nyaeta milu kagiatan anu pemateri atawa pengisi acara na teh idola urang. Misalkeun miluan kuliah umum di kapus nu pembicarana teh idola urang. Tong nepi ka kaliwat, komo acara nu diayakeun taunan mah. Nu katilu nyaeta cobaan daftar gawe gabung jadi tim kreatif di media. Mun geus katarima jadi tim kreatif dina media mah unggal poeurang bakal papanggih bahkan bisa poto bareng jeung loba artis, komo mun aya idola urang mah didinyana. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2873", "text": "Sateuacan ngawangkong ngeunaan hukuman pati, abdi hoyong ngobrol ngeunaan pati heula. Maot dina Al Qur'an ngagunakeun kecap موت mim-waw-ta. Umumna diinterpretasi salaku maot, teu hirup. Hayu urang coba pariksa dina sababaraha ayat naon hartina.\r\n\"Atanapi naha anjeun nyaksian nalika Yakub maot, nalika anjeunna nyarios ka anak-anakna ... \" (Al Baqarah 2: 133). \"Wajib pikeun aranjeun, upama salah saurang di antara aranjeun maot, lamun ninggalkeun harta banda, wasiat ka indung bapa jeung baraya deukeutna sacara ma’ruf, (éta) kawajiban pikeun jalma-jalma anu taqwa.\" (Al Baqarah 2:180) \"\r\nDina conto dua ayat di luhur, urang tiasa maca yén Yaqub sareng jalma-jalma soleh masihan wasiat sanés nalika maot (maot), tapi sateuacan maot (wates hirup). Kaayaan ieu dina basa Indonésia disebut maot.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2880", "text": "Waktu harita kuring keur ngararasakeun ulin jeung misan kuring, harita kuring jeung misan keur ulin di ruang tamu nini, kajadianana beurang kira-kira jam 11-13.30. Sakeudeung kuring ningali kalangkang pocong jangkung gede di tukangeun hordeng kamar.Waktu keur leutik kuring langsung ngagorowok sabab reuwas oge, tuluy langsung ngomong aya pocong di kamar.Tapi kaom kuring seuri. .Ceuk mana aya hantu di siang bolong mah aya titikna sabab lamun difilmkeun dina film horor mah hantu teh ngan muncul peuting. Waktu keur SMP jeung SMA oge aya kajadian mistis, tapi kuring ngan ngambeu kembang jeung ngadenge sora-sora anu teu aya wujudna, tapi kuring inget kana kajadian ieu jelas jeung bau kembang jeung sorana oge jelas pisan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6813", "text": "Pas waktosna aya bewara kalulusan SBMPTN. Abdi nuju kondisi masih keneh sedih lantaran aya kulawargi anu pupus, janten abdi teu wani muka bewara lantaran bisi teu katarima jeung bisi nambihan kasedihan. Tapi rerencangan abdi seeur anu tos muka bewara jeung tos arapal hasil kalulusan abdi. Seeur oge rerencangan anu narosan langsung ka abdi. Pas ningal, alhamdulillah abdi katarima di Universitas Padjadjaran, di kampus anu dipikahoyong di baheula. Abdi sontak langsung ngabaran pun bapa jeung sadaya kulawargi. Alhamdulillah sadayana bungah ngadangu kabar anu sae ieu. Abdi atos jeung ngarasa syukur pisan lantaran tiasa masihan kabar anu sae ditengah-tengah kondisi kulawargi anu keur sedih.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2970", "text": "Dina pamanggih kuring, éta normal. Salami anjeun tiasa nyiapkeun diri sareng gaduh kaahlian mitigasi bencana anu saé, dampak bencana tina gempa tiasa ngirangan. Ku kituna, karugian anu teu dipikabutuh tina bencana alam tiasa dihindari. Panginten urang tiasa ngamimitian nganggo rumus pikeun nganalisis kaayaan kuring ayeuna. Ayeuna kuring cicing di wewengkon anu jarakna kira-kira 25 kilométer ti puncak Gunung Merapi. Sabalikna, wewengkon kidul Yogyakarta deukeut jeung lempeng bumi, jadi wewengkon imah kuring berpotensi katarajang lini tektonik. Dina kontéks ieu, aya dua potensi bahaya atawa bencana anu bisa lumangsung, nyaéta gunung bitu jeung lini. Sarta ulah poho, salawasna solat. Salaku manusa, urang tetep kedah nyobian anu pangsaéna. Pikeun anjeun anu agami, enya, musibah mangrupikeun kersaning Gusti. Sanajan kitu, ngarendahkeun bencana alam dina pamanggih kuring mangrupakeun bentuk kareueus. Ku alatan éta, ulah gampang teuing. Doa tanpa usaha bakal sia-sia, kitu ogé sabalikna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4413", "text": "Jadi masarakat di jaman ayeuna kudu pinter jeung boga prinsp anu kuat sangkan teu babari di bobodo, komo lamun nepika di gebug kitu. Urang teh hiji hiji na manusa anu boga hak ka diri urang sorangan, sasaha oge ulah aya jeung ulah daek lamun narima kakerasan tina bentuk naon wae. Urang kudu bisa mertahankeun diri urang ngajaga harkat jeung martabat ulah daek jadi manusa anu lemah jeung ngan bisa tarima lamun di perlakukeun henteu alus dina kahirupan. rang di lahirkeun ka dunya sangkan bisa hirup bagja lain eur di nyeuyeri komo di gebugan kawas kitu. Percaya lamun urang geus boga kategasan jeung ngbere batesan batur pasti moal bisa sangeunah na ka urang.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "1106", "text": "Hal-hal anu ulah dilakukeun pas diudag ku sato. Pastina urang ulah nyerang sato lantaran bakal memicu respon agresif jeung ngabahayakeun nyawa urang. Urang oge ulah ngagorowok, lantaran ieu bisa memicu naluri sato jang nyerang. Tuluy urang ulah ngaganggu atawa ngahalangan anak-anak sato, anak-anak sato mindeng dilindungi ku indung maranehna, jadina mun urang ngaganggu atawa ngahalangan anak-anak sato bisa memicu respon agresif ti indungna. Ulah oge make pakean nu warnana caang, warna caang siga beureum, kayas, koneng, bisa dianggap ancaman ku sababaraha hewan, siga banteng atawa sapi. Ulah nyokot resiko nu teu perlu jang aya di deukeut hewan liar atawa hewan piaraan nu teu dipikawanoh.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5928", "text": "Salah sahiji kajahatan nu sering terjadi di jalanan nyaeta begal. Kasus begal teh hamoir aya di unggal daerah, rek di kota atawa di kampung. Biasana sasaran begal teh jalmi nu kerkendara sorangan, komo ti peuting mah. Loba modus begal nu dilancarkeun ka para korbanna, rata-rata ngakukeun leasing. Nu paling ngeri mah nyaeta mun geus megat sacara paksa di tengah jalan dugi ka mepet kandaaan nana. Bahkan, ayeuna mah aya modus anyar nyaeta nanyakeun alamat kanu leumpang. Jadi, lain wae nu berkendara, tapi nu leumpang oge jadi potensi korban begal. Komo deui mun begalna geus nodongkeun sanjata tajam mah, mantak teu bisa berkutik sabab sieun kaleungitan nyawa atawa cilaka ku sanjatana.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2153", "text": "Prosés maot salawasna pinuh ku misteri. Naon anu dirasakeun ku jalma, naon anu diomongkeunana, naon anu aranjeunna laksanakeun nalika maot? Ieu mangrupikeun hal anu seueur anu hoyong terang. Survei teras dilakukeun ngeunaan naon anu dilakukeun ku jalma-jalma sareng nyarioskeun maot ka anu dipikacinta. Hasilna héran, 29 persén nyarios yén jalma-jalma caket maot sering nyarioskeun sabaraha aranjeunna ngaharepkeun jalma anu tinggaleun tiasa hirup bagja. Sareng 17 persén sanésna nyarios yén aranjeunna hoyong jalma anu tinggaleun henteu hirup ku perasaan kaduhung. maot mangrupakeun hal nu geus jadi takdir ti nu hirup di dunia, loba yen nu sedih kabina-bina tapi pernah heunteu mikirkeun naon nu dipikahayang ku anjuena nu tos maot ?", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "672", "text": "Geuningan nu hayang hamil bener-bener tapi can dibere rezekina, giliran nu teu sangaja aya nu kajadian. Ieu kajadian di sakolaan tatangga, tapi caritana geus ka sebar. Nya kitu tea awalna mah bobogohan tapi kabablasan. Awalna mah teu ngarasa keur kakandungan, tapi pas aya kana 4 bulanan mulai karasa jeung katinggalina. Katinggalina beuteung ngagendutan, awalna mah babaturanna mikir emang ngagendutan, teu curiga keur kakandungan. Tapi di sakolaan manehna mindeng ka kamar cai, tuluy sok utah-utahan bari lila di kamar cai teh. Di selidiki ku guru-guru, pada-pada reuwas da manehna teh geuningan keur kakandungan. Atuh harita keneh eta mah dikaluarkeun ti sakola, jabaning rek Ujian Kelulusan da geus semester akhir.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2486", "text": "Kinten-kinten tabuh 3 sonten abdi mesen mie ayam di warung mie ayam anu lumayan terkenal di kota Bogor. Kalolobaan mawa inuman a, Kuring mesem ka goréng, dibarengan ku kode ieu tempat dieu sarta fokus kana handphone kuring deui. Teras nganteurkeun Tuangeun abdi, cik, kuring ningali anjeunna ngadadak diuk di Gigireun Kuring. Kabeneran kuring keur diuk sameja jeung babaturan kuring di sakola nu can kungsi panggih, kuring ngahaja teu nyapa sabab manehna masih kenal jeung kuring nu deukeut jeung kuring. ternyata manehna geus teu kenal deui sanggeus status sosialna robah drastis, naha bener-bener teu kenal atawa pura-pura teu kenal, leuwih hade kuring mikir positif.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2872", "text": "Tarik napas jero, gempur. Tenang. coba tetep diri sibuk, pikir positif, ngadengekeun lagu anjeun resep saméméh sare, loba ngadoa, maca carita senang, ngalakukeun yoga. Upami anjeun masih teu tiasa menta tulung ka psikolog. teras pasrah, sabab ngan hiji-hijina anu terang ngeunaan maot nyaéta Allah. Entong nyerah sareng henteu ngalakukeun nanaon, ngan cicing di bumi, henteu ngalakukeunana. Ningkatkeun diri anjeun pikeun janten jalma anu hadé pikeun diri anjeun sareng jalma-jalma di sabudeureun anjeun. Perbanyak amal soleh. Nambahan elmu agama, elmu tauhid oge, boga pamikiran yen satiap jiwa pasti maot/mati, jeung buka pikiran sok ngahampura kasalahan batur, boh nu teu dihaja boh nu dihaja. Ngahampura kasalahan batur kabuktian ngagedekeun urang jadi jalma nu jembar pikiran jeung salawasna mikir positif/hadé.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2065", "text": " Dina awal mecenghulna média sosial.. Kuring ngarasa bagja jeung reueus. Jaman kuring sering miluan kontes di Twitter, sabenerna loba pisan programna, mimitina mah aya media sosial jeung model promosi teh memang giveaway, tapi leuwih tepatna, give aways mindeng. dilaksanakeun dina Facebook jeung Twitter kaliwat. Komo deui enya hilap hehehe. Jigana aya sababaraha tiket deui, naha éta konsér atawa hal, tapi tungtungna aranjeunna sok dijual sabab kuring teu bisa datang dina Dinten eta. Nu pasti mah jelas saméméh éta yén kuring meunang lolobana kuis ti Twitter. . Deui dina poé mimiti, Twitter ieu booming, loba rekening resmi merek nu geus dipikawanoh dijieun give away. Tiket Ncinema pikeun pilem panganyarna. Abdi masih émut nalika kuring ningali pilem Green Hornet. Nonton enjing-enjing di mall Grage jam 10.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2571", "text": "Sanajan ngarasa keuheul mun budakna digebugan ku babaturanana, kolotna tetep kudu tenang, sababaraha kolot bisa nyarankeun sangkan budakna balik deui. Sanajan kitu, aya ogé kolot anu menta budakna tetep jempé.1. Dengekeun Naon Anu Diomongkeun Barudak. Sakumaha anu ditepikeun ku Ikhsan Bella Persada, M.Psi., Psikolog, Mamah jeung Papah bisa ngadeukeutan heula ka budakna sabada humandeuar ditarajang ku babaturanana. Tanya anjeunna naon anu lumangsung sarta kumaha parasaan anjeunna.\n“Pikeun murangkalih disahkeun heula tina naon anu dirasa, naha sedih, ambek, atanapi sieun,” saur Ikhsan.\nLamun anak anjeun ngabejaan Anjeun naon anu lumangsung, dengekeun jeung polah kabuka, sanajan carita sedih.\nNgarojong anak sacara nétral, ulah nyalahkeun manéhna atawa babaturanana. Nu katingali, lamun kolotna ngaréaksikeun kuat teuing kana carita barudak, budak leutik maranéhanana bisa eureun ngabejaan carita sieun upsetting Mama-Papa.\n2. Ngajarkeun Barudak Ulah Males\nSanaos aya kahayang pikeun ngalakukeun tindakan sorangan sareng ngabales perlakuan murangkalih anu neunggeul budak leutik anjeun, ulah ngalakukeun ieu.\nMamah-Papa kudu méré conto pikeun barudak ngeunaan cara nungkulan masalah. moal ngeureunkeun tindakan kekerasan séjén dina mangsa nu bakal datang.\n\n", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7860", "text": "Poe ieu abdi sapertos biasana diajakan ku rerencangan kanggo emam ramen di salah sahiji tempat anu kasohor pisan ku dahareun Jepang. Abdi sabenerna tara dahar di dieu da pangaosna awis pisan, hiji porsi leutikna oge tiasa nepikeun lima puluh rebu rupiah. Untungna abdi ditraktir ku rerencangan. Pas nepi ka ditu, urang langsung mesen tulyt ngantosan, pas ramenna datang abdi langsung moto jeung midiokeun heula, tadina mah rek dikirimkeun ka status. Tapi pas abdi ningal deui pidiona abdi karek nyadar yen dina emihna teh aya nu uutekan siga bilatung. Abdi langsung ngarasa rujit tuluy indit ti tempat eta saatos mayar. Pokona mah moal baik deuibla ditu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5297", "text": "Asa sedih pisan mun ningali kahirupan katukang teh. Umur leutik keneh geus ditinggalkeun ku kolot ka luar nagari sabab kadorong ku kabutuhan ekonomi. Teu ayana sosok indung jadi ngaruh pisan kana emosi jeung kabiasaan. Euweuh indung mah kondisi imah teh teu manggih rapih, sarapih-rapihna ge beda jeung meunang indung. Barang-barang sakola ge teu kaperhatikeun, jiga buku jeung patlot teh saayana jeung sabeakna wae. Tuluy oge suasana imah teh jadi teu hirup, asa aya nu leungit. Kasadiaan sangu jeung deungeuna terbatas, jadi serba meuli da euweuh nu masak. Komo dapur mah kaayaan na jiga nu tara dipake pisan we. Sedih mun nilik kadinya teh, tapi da kumaha deui. Dorongan ekomoni nu sulit leuwih bisa ngendalikeun sagalana.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2884", "text": "Anjeun pasti geus maca atawa lalajo pilem nu ngabejaan ngeunaan kakuatan gaib bangsa baheula. Ieu nunjukkeun yén dunya hantu geus aya pikeun lila. Kanyataanna, fisikawan kawas Albert Einstein pernah masihan katerangan ngaliwatan hukum termodinamika na. Sakumaha urang terang, hantu sering digambarkeun salaku roh panasaran. Ieu kurang leuwih prosés ku hantu muncul: Hiji manusa maot, teras ... sumanget na aub dina dunya manusa sarta henteu maot teuing. Tungtungna, kusabab teu aya anu kedah dilakukeun, anjeunna nyingsieunan manusa. Masalahna, timana asalna sumanget ieu? Lamun ngarujuk kana hukum mimiti termodinamika, bakal énergi awak mayit urang pindah sarta jadi hantu? Joe Nickell, hiji-hijina jalma anu digawé pinuh waktu salaku investigator paranormal dumasar-sains, dina wawancara jeung Vox, ngungkabkeun yén nepi ka ayeuna can aya hantu anu ayana geus dibuktikeun ku elmu. Numutkeun anjeunna, salah sahiji hal anu sesah nyaéta seueur definisi anu béda pikeun Iblis ieu.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7000", "text": "Abdi masih keneh leutik pas mamah jeung bapa papisah. Tapi abdi tos ngarti yen mamah jeung bapa teh cere. Abdi oge ngarasa kirang caket jeung mamah jeung bapa, duduana unggal poe digawe, tara aya di imah. Abdi mineng pisan mondok di imah tatangga lantaran teu aya sasaha di imah. Untung we abdi dititipkeun di imah guru ngaji abdi, janten abdi masih keneh tiasa ngarasakeun diajar jeung diperhatikeun ku guru ngaji. Pas mamah jeung bapa cere, guru ngaji abdi ngajelaskeun lalaunan ngeunaan kondisi kolot kuring, abdi oge bakal dititipkeun di imah nini jeung uwa. Abdi sedih sanajan tu pati dekeut jeung mamah bapa. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6971", "text": "Di sakola aya hiji rerencangan abdi anu mawa roko ka sakola, padahal aturan di sakola teh teu meunang ngaroko, komo mawa roko ka sakola. Rerencangan abdi nu mawa roko eta untungna teu dihukum, ngan dipasihan peringatan hungkul ku sakola. Isukna aya oge rerencangan anu mawa deui roko, padahal kamari tos diingetan jeung dibejaan ku guru jeung untung teu dihukum, ngan diingetan hungkul. Tapi rerencangan abdi eta kalahkah ngalanggar aturan deui. Gara-gara ulah manehna, kabeh siswa dikelas diseseulan ku guru. Sajam leuwih urang sadayana ditahan di kelas sabari dipapatahan. Anjeunna kuciwa ka siswa anu tos dipasihan kasempetan kalahkan ngulang deui kasalahan anu sarua. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5205", "text": "Kamari Tika nembe lahiran anak pertamana. Kontraksina tos karaos kana sadintenan samemeh lahiran. Pas dicandak ka rumah sakit, dokter mutuskeun yen Tika teu tiasa lahiran normal sabab air ketuban na tos pecah tipayun. Tika rada sedih sabab kudu dioperasi, reuwas jeung sieun bisi aya nanaon ka anakna. Alhamdulillah operasi Tika lancar, anakna ge salamet tur lengkap. Anakna teh istri, angsung diadzanan ku bapakna barang lahir teh. Tika jeung suamina meuni bungah pisan sabab tiasa gaduh katurunan nu lucu pisan, jeung prosesna ge lancar. Suami Tika langsung ngais-ngais eta orok teh saking ku bungahna. Tika oge saberes ngajalani operasi, tuluy teu leupas ngalahu eta anakna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7568", "text": "Nagreg tos kasohor janten tempat langganan kacilakaan, teu heran lantaran jalu Nagreg teh janten hiji-hijina jalur anu ngahubungkeun ka sababaraha kota sapertos Garut, Tasik, jeung Ciamis. Unggal poena pasti seeur pisan treuk jeung mobil gede anu ngaliwat ka jalur Nagreg. Kahiji kalina abdi ngaliwat jalu Nagreg, abdi rada sieun lantaran tos ngadangu aya seeur kacilakaan anu kajadian di dieu. Abdi teu ereun ngadua sapanjang jalan supados salamet nepi ka tujuan kuring, nyaeta Tasik. Epekteh bener we, pas nuju ngaliwat, aya hiji treuk tiguling lantaran longsor di jalur Nagreg. Seeur bapa-bapa anu nulungan sopir treuk jeung kenekna. Abdi langsung reuwas pas ningal sopirna aya di jero keneh. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2133", "text": "indung sering ngalaman setrés sareng kasusah dina ngatur émosi salami pandémik. Naon deui, budak jaman ayeuna mah sok di imah sapopoe sapopoe, jadi teu kungsi aya me-time keur kolot. Ieu nyababkeun seueur masalah anu timbul antara indung sareng anak, nyababkeun panyimpangan antara dua. Dumasar survey anu dilakukeun dina taun 2020, tingkat setrés pikeun ibu sareng murangkalih ningkat ku 95% nalika pandémik. Ngajaga sambungan teu ngan dilarapkeun ka jalma anu hirup jauh ti urang, tapi jeung barudak ogé perlu ngajaga sambungan. Sanajan ngan di imah, kadang urang sibuk ku sorangan jeung karya urang. Ku kituna, urang bisa ngajaga hubungan urang jeung barudak ku cara basajan sanajan anak masih orok, éta bakal merangsang indung jeung anak jadi leuwih bahagea.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7318", "text": "Lamun ngantosan mayar di minimarket, abdi biasana nangtung ditukangeun batur tapi jarakna teu pati dekeut lantaran bisi ngaganggu batur, tapi hal ieu teh kalahkah dimangpaatkeun ku batur kanggo miheulaan kuring lamun nuju ngantre. Abdi nuju cicing ditukangeun budak leutik anu nuju mayar. Pas giliran abdi mayar, aya nu nyamperkeun kuring sabari miheulaan. Abdi teu tarima dipiheulaan ku manehna, sanajan manehna leuwih kolot abdi langsung buru-buru nyimpen barang-barang anu dipeser di meja kasir sabari ngomong ka manehna ulah miheulaan batur lamun hoyong dihargaan, lamun manehna keur buru-buru oge manehna tiasa nyarios nu bener, teu kedah langsung miheulaan api-api teu apal aya jalmi di tukangeunna. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3015", "text": "Tah sababaraha taun ka pengker abdi di kampung terpencil di Kalimantan. Dina raraga ngajaga ngaran alus suku jeung wewengkon lokal, intina nyaéta nulis handap kalimah dina bagian pangleutikna. Sareng hapunten upami tulisan abdi nyinggung ka rerencangan anu asli Kalimantan. Ku kituna di éta tempat urang diajak ngalaksanakeun pengabdian masarakat, nyadiakeun palayanan kaséhatan, rejuvenasi tempat ibadah dina hakekatna, urang babarengan ngawangun kampung. Ku kituna eta ngan jadi kajadian nu dimana kuring cicing téh puseur sagala kagiatan. Jadi teu kudu repot mudik ka base camp - workplace - Basecamp. Tepi ka peuting kamari urang ngumpul di hiji gedong ngayakeun konseling kaséhatan jeung pemberdayaan wanoja (sanes dijadikeun budak tapi dilatih sangkan kaparigelan nambahan, ngan teu apal kana kalimah anu bener, hampura). Sanggeus réngsé, urang giliran dijemput. Muhun, abdi grup panungtungan sarta ngarasa sial nalika nu ngajemput kuring dina motor, didinya kuring sieun ku kaayaan hutan jeung alam na nu paroek.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3324", "text": "Aya nu sok nyokot makanan kotor. Tapi, hanjakal 5 detik, sumawona 5 menit, kadaharan anu geus ragrag bisa napel ku kuman panyakit. Malah masih loba jalma anu percaya yén kadaharan anu ragrag dina waktu kurang ti 5 detik masih aman dikonsumsi. Sanajan kitu, éta kasalahan badag! Numutkeun tim peneliti ti Universitas Rutgers, Amérika Serikat (AS), kadaharan tetep tiasa kacemar ku kuman sanajan ngan ukur ragrag dina 1 detik. Para panalungtik manggihan yén kalembaban, jenis beungeut, sarta lilana waktu dahareun éta dina beungeut cai (taneuh atawa lanté) nyumbang ka ongkos kontaminasi. Pamustunganana, ieu tiasa mangaruhan kumaha kamungkinan jalma katépaan ku panyakit bawaan pangan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2458", "text": "Sanes kuring tapi babaturan awewe kuring dihukum maag akut sareng dirawat di rumah sakit ampir 4 bulan di rumah sakit, ku kituna dina waktos éta anjeunna dibéré obat maag jsb pikeun panyakitna anu ceuk dokter ngagaduhan maag akut. 3 sasih di puskesmas rerencangan waktos harita parah pisan, teras dirujuk ka RS saiful anwar malang kanggo perawatan salajengna, didinya dipariksa, ternyata kanker ovarium tahap naon, enya, poho jeung teu. ngartos nanaon ngeunaan kanker, sobat kuring maot di rumah sakit éta sanggeus sababaraha poé dirawat, abdi teu terang persis sabaraha lila dinten sabab kuring lain kulawargana. Kuring terang ieu kusabab kolot kuring sorangan nyarios ka kuring nalika kuring sareng réréncangan SMA di bumi pamakaman", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "315", "text": "Nepikeun ka bulan Oktober 2022, total maot Covid-19 sabab ku virus corona di Indonesia saloba 158,24 rebu jelema. Ku jumlah eta, Worldometer nempatkeun angka maot Covid-19 di Indonesia di urutan kadua paling luhur di Asia. Urutan ieu masih bertahan di posisi nu sarua dina saminggu terakhir. Ngeunaan statistik global, total maot Covid-19 di Asia nyaeta 22,6 persen ti total kasus di kabeh nagara. Samentara eta di urutan nu paling luhur di Asia saloba 528,84 rebu jelema. Iran aya di urutan kalitu. Negara ieu nyatetkeun total maot Covid-19 saloba 144,5 rebu jelema. Posisi nu kaopat nyaeta Turki dina angka maot Covid-19 saloba 101,2 rebu jelema.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6252", "text": "Basa bade lebaran, abdi mudik ka lembur jeung pun raka. Abdi mudikna make bus Doa Ibu, nu inditna beurang. Ti barang naek nepi ka turun abdi teu meunang tempat diuk pisan. Abdi jeung pun raka nangtung ti awal nepi ka turun. Keur mah pinuh loba nu nangtung, bus na teh AC deuih, jadi pengep pisan. Keur pasedek-sedek diuk teh jalanna luak leok, aya nu mawa orok ceurik wae. Keur mah pasedek-sedek, bau rokok, gandeng ku budak nu ceurik, eh loba nu utah ongkek-ongkekan di jero. Parah na mah aya budak nu utah teu make keresek, jadi bauna ka mana-mana. Sabus teh bau utah hungkul. Abdi meuni kesel pisan harita geus hayang turun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "4707", "text": "Loba jelema teu ngan budak leutk tapi oge jelema anu geus dewasa sieun keneh di suntik, ciri kasieunnan na rupa rupa aya anu deg deg an pisan nepi ka nyeri beuteung tapi aya sababaraha cara anu bisa di lakukeun sangkan ngaleutikeun rasa sieun lamun erek di suntik saperti urang bisa ngalihkeun foku na sangkan teu karasa jeung teu kudu ningalkeun suntikan nana, samemeh di suntik oge urang bisa narik napas heula jero jero bari peremkeun mata sangkan teu ningali jeung bisa tenang keur di suntikna. Sabab tenang keur di suntik teh oge penting soalna kaitan na oge jeung tensi getih.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5313", "text": "Mun ngarantau, biasana sok resep pisan ulin kaditu kadieu jang nambah pangalaman. Tah ieu teh hal alus supaya relasi jeung pengetahuan urang oge nambahan, teu stagnan ngan sakitu. Meungpeung hirup sorangan, jadi kaputusan ge ku sorangan, tah mangpaatkeun sing hade. Ulah nepi ka jauh ngaranta tapi teu meunang elmu atawa relasi-relasi acan. Mubadzir kesanna ai kitu mah. Kudu lobakeun pangalaman sabab enting pisan jang kahirupan kahareupna. Mun kamana-mana teh mending we babari ai aya kawawuhan mah. Mun rek ngiluan nanaon ge babari ai boga elmu jeung kamampuan na mah. Ku kituna, yuk ah ti ayeuna luangkeun waktu sorangan jang neang elmu jeung relasi saloba-lobana, tong kuuleun teuing!", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "6869", "text": "SMP janten masa anu paling pikagumbiraeun lantaran abdi tiasa gaduh rerencangan anu balageur pisan, sok carita, seuseurian bareng, balik sakola bareng, jeung meuli seblak bareng pas balik sakola, naek angkot oge bareng. Lamun dinten Sabtu oge arurang resep kempel di dekeut sakola kanggo ngerjakeun tugas sasarengan, siangna pasti emam seblak wae, teu bosen-bosen eta kana sablak. Aya hiji rerencangan anu paling dekeut jeung abdi, kamamana sasarengan. Nepi ka SMA oge urang masih keneh sasarengan, sanajan beda kelas jeung beda jurusan, tapi urang tetep gaduh kagiatan sareng di pecinta alam, janten unggal poe pasti papanggih. Lamun teu aya sobat abdi nu hiji ieu jigana masa SMP jeung SMA moal rame.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8450", "text": "Tatakrama teh penting jeung kudu diutamakeun di Indonesia. Salah sahiji tatakrama anu kudu diturut ku sakumna jalma nyaeta ulah nyiduh kamana-mana. Nyiduh di mana wae dilarang, komo nyiduh di hareupeun atawa ka jalma sejen. Eta pisan henteu sopan, pikageleuhen sareng nunjukkeun rasa teu hormat. Jalma anu diciduhan bakal ngarasa hina, geuleuh, sarta kareueusna bakal ditincak. Jalma anu diciduhan bisa ambek jeung ambek ka jalma anu nyiduh ka manehna sabab satemenna eta hiji hal anu kacida teu sopan tur ngarendahkeun kahormatan hiji jalma. Salian ti eta, jalma anu diciduh oge bakal mikirkeun sagala cara pikeun ngabales kalakuan amoral jeung geuleuh ieu.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5576", "text": "Adi ngarasa reuwas pisan sabab teu pugah puguh dibere hadiah ku lanceukna. Pas dibuka, hadiahna nyaeta sapatu running nu salila ieu diidakeun ku Adi. Adi ngarasa atoh pisan. Sapatu running na warna hideung, di handapna aya plat warna bodas. Ukuran sapatuna nomor 38, pas jeung ukuran sampean Adi nu nomor 38 oge. Sapatuna teh teu aya talian, sabab di lengan sampeanna dijieun tina karet nu moal melar. Sapatuna teh boga sistem pangaturan udara nu canggih. Pas ditingali, merkna teh adidas. Pantesan we meuni kinclong. Geus kitu tuluy dicobaan ku Adi. Sapatuna teh ringan pisan, cocok pisan jang lari jarak jauh. Adi niat make sapatu ieu dina event marathon nu diayakeun bulan hareup.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "1006", "text": "Di sakolaan keur ngayakeun open house, biasana mun open house sok diayakeun lomba-lomba antar kelas. Aya lomba olahraga, lomba cerdas cermat, jeung sajabana. Biasana mah nu rame mah lomba olahraga nyaeta lomba sepak bola. Sabab di kelas urang lalakina ngan pas-pasan jumlahna, jadi nu tara biasa maen bola oge kudu miluan. Pas asup lapangan sieun pisan lantaran ditinggali ku loba jelema, tiap penonton ngulilingan lapangan sabari nangtung. Urang sieun teu bener maenna, atawa dibere komentar butut ku batur. Matak di babak kahiji maenna teh kaku da teu biasa ditongton tea jadina geumpeur. Ditambah deui loba pendukung di tim lawan anu ngajadikeun urang beuki sieun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8989", "text": "Hiji mangsa kuring jeung babaturan sakola ulin ka walungan nu aya di sisi pilemburan. Lamun ulin ka walungan teh sok bari mawa sair leutik keur newak impun jeung hurang. Kacaritakeun kuring jeung babaturan geus tepi ka sisi walungan. Kasampak babaturan nu sejen oge geus araya. Malah sawareh aya nu geus aranclub ka walungan nu caina keur rada saat. Atuh kuring sabatur-batur nu karek daratang ge langsung milu ancrub bari mawa sair masing-masing. Keur jongjon neangan impun jeung hurang nu sok nyarocok di handapeun batu-batu nu rada gede, ujug-ujug aya nu ngagorowok \"Oray! Awas aya oray!\" Teu tata pasini deui, kuring jeung babaturan nu sejen haranjat tina cai awahing ku sieun. Singhoreng simana horeng bener we teu pati lila aya oray ngaleor ngaliwatan sisi walungan nu tadi diparake hanjat. Kabeh hookeun ningali oray nu lumayan gede teh. Saurang ge euweuh nu wani ganggu ka eta oray, maklum nu arulin teh kabeh ge barudak keneh, euweuh kolotan. Atuh sabada sadar kana pibahayeun mah gura giru kabeh lalumpatan rek mulang ka lembur da sieun dipacok ku oray.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1363", "text": "Keur ulin ka imah babaturan, awalna mah aman-aman wae. Tapi pas naek ka lantai dua, urang ngarasa sebel lantaran kacium bau amis di lantai dua teh. Urang teu tahan, nepikeun beuteung jadi seubeul, tungtungna mah ongkek-ongkekan. Urang turun deui ka lantai hiji, da di lantai dua mah teu kuat ku bau amisna. Kajadian eta oge sarua kaalaman ku babaturan urang nu hijina deui, manehna oge sarua nyium bau amis nu nyegak pisan, jadina turun oge ka lantai 1. Bauna teh nyegak, di lantai dua sigana teh geus kasebar atawa di tiap ruangan geus kacium bau amisna. Uyuhan nu cicing di imah eta kuateun.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "709", "text": "Emang konsep SPBU teh terbuka, ngan saukur tempat pengisianna nu ka iuhan lantaran diluhurna aya bangunan. Biasana nu embung kapanasan teh sok nyorobot sangkan tereh jeung ka iuhan. Harita mah nu nyorobot teh barudak sakola, da cenah mah panas teu kuat jeung embung ngantri panjang. Ku urang di tegor, \"Neng pami alim kapanasan atawa ngantri mah mending kadieuna wengi sakalian jam 12 peuting\". Si Neng eta malik ngajawab \"Bae atuh a da abdi mah sakeudeung meulina oge sapuluh rebueun\". Urang nembal deui bari rada tarik sorana, \"Ari Neng teu diajarkeun di sakola budaya antri!? Sakola di mana sih? Meuni ngerakeun pisan siga nu teu boga pendidikan\".", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5582", "text": "Zaman ayeuna mah loba pisan penipuan nu berkedok undian online. Hadiah nu ditawarkeun na teh nu menarik hungkul, jiga mobil, motor, hape, jeung sajabana nu mantak kagiur. Biasana undian na dilaksanakeun secara online dina website tertentu. Tuluy mun aya nu ngahubungi na oge eta pihak personal, lain ti perusahaan resmi. Biasana oge sok menta duit tebusan hadiah, atawa nawarkeun opsi lain jiga cash on delivery nu ujung-ujungna mah ngarugikeun. Mantak, urang kudu bijak dina ngajalankeun sosial media, ulah babari nyebar data, komo nepi ka kagiur ku undian bodong mah. Kudu apal mana nu penipuan jeung nu lain. Tong babari percaya oge mun ditelpon meunang hadiah teu puguh-puguh, sabab leuwih parahna ayeuna mah bisa hipnotis lewat telepon. Yuk leuwih hati-hati deui! ", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5609", "text": "Biasana jalma neangan harta karun teh di leuweung atawa dipantai. Nu diteangan na oge mangrupa benda peninggalan zaman baheula pisan. Tah, ayeuna mah loba nu neangan harta karun teh di wahangan atawa curug, sabab sok loba barang wisatawan anu kabawa palid atawa titeuleum. Model mun di curug, sok aya barang jiga hape, kacamata, dompet, bahkan duit nu titeuleum. Dina wahangan mah sok aya nu mangrupa hape rata-ratana. Biasana barang-barang eta teh palid atawa titeuleum keur ngojay di cai. Mun manggihan hape mah sok dibenerkeun tuluy diberekeun deui ka nu gaduhna sabab kalacak tina hapena. Mun barang salian hape mah biasana sok dipake we kunu manggihna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "9188", "text": "Waktu éta kuring balik ti warung, meuli sayuran jeung kadaharan lianna. Kuring nyimpen kantong plastikna di dapur. Sanggeus éta kuring beberesih runtah nu aya di dapur sarta ninggalkeun eta bari indit ka kamar mandi. Réngsé ti kamar mandi, kuring indit ka dapur nyokot runtah anu geus diberesihkeun sarta dibawa kaluar pikeun dialungkeun kana tong sampah di luar komplek. Terus kuring balik deui ka imah, niat rék masak. Pas néangan kantong plastik balanjan teh teu kapanggih. Tétéla kuring salah miceun, kalah kantong plastik balanja kuring nu dipiceun, sabab kantong runtahna aya keneh di dapur, kuring salah nyokot eta tadi. Tungtungna kuring balik deui kana tong sampah jang milarian kantong balanja kuring. Nyaan kuring jijik sabenerna, sabab kuring kudu asup kana tong sampah pikeun milarian kantong balanja kuring, untung kuring mendakan éta aya keneh. Ku kuring langsung dibawa ka imah jeung diberesihan ameh teu bau runtah.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "7519", "text": "Pangandaran mangrupakeun tempat anu mineng didatangan ku kulawargi lamun nuju usum pere sakola. Pangandaran janten pilihan lantaran tempatna mirah jeung seeur aktivitas anu tiasa urang lakukeun didinya. Pangaos hotel di Pangandaran oge teu pati awis, matak teu heran lamun seeur jalmi anu ngadatangan Pangandaran salaku tempat wisata. basa abdi sareng rerencangan nuju ulin di Pangandaran, abdi nyobian naek banana boat, kaulinan ieu bakal ngabawa urang ka tengah laut teras digejeburkeun ka tengah laut dina kaayaan urang nganggo palampung. Abdi sareng rerencangan langsung nyobian kaulinan ieu sakali, pas urang digejeburkeun ka laut palampung anu dianggo ku rerencangan abdi jol leupas, abdi reuwas lantaran manehna kalelep. Untungna manehna masih tiasa ngojay sabari nyepengan ka rerencangan abdi nu sanes. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "9579", "text": "Kasedih anu disababkeun ku hirup nyalira tiasa janten perasaan anu kuat sareng jero anu dirasakeun ku jalma tur tiasa mangaruhan jalma sacara fisik sareng mental. Jalma nu ngarasa sedih hirup nyorangan bisa jadi ku lantaran ngarasa sepi, terasing, jeung ngarasa teu boga tempat pikeun babagi pikiran jeung parasaan manehna. Bisa jadi jalma anu hirup nyorangan ngarasa yen manehna teu boga saha-saha nu bakal ngadangukeun manehna atanapi paduli naon anu keur dijalanan atawa dirasakeun. Rasa sedih ieu oge bisa dibarengan ku parasaan sia-sia atawa teu boga sumanget pikeun ngajalanan hirup. Nanging, urang kedah emut yen perasaan sedih anu disababkeun ku hirup nyalira mangrupikeun normal sareng seueur jalma anu ngalaman ieu. Aya rupa-rupa cara pikeun nungkulan kasedihan anu disababkeun ku hirup nyalira, kayaning neangan rojongan ti babaturan atawa kulawarga, ulubiung dina kagiatan anu ngalibatkeun seueur jalma, atawa malah neangan pitulung profesional lamun diperlukeun.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8980", "text": "Enosimania, nyaeta kaayaan hiji jalma anu sieun dikritik ku batur. Enosimania ngamotivasi ku pamikiran yen batur nyieun kasalahan nu ageung. Nurutkeun dr. Ashwin Kandouw, Sp.KJ, Psikiater RS Pondok Indah Pondok Indah jeung Bintaro Jaya, enosimania mangrupa kaayaan di mana hiji jalma boga pikiran pengkuh yén manéhna ngalakukeun kasalahan gedé, ku kituna ogé mindeng ngarasa sieun dikritik ku jalma séjén. Nurutkeun dr. Ashwin, ciri jalma anu kaserang enosimania sami sareng tanda-tanda sareng gejala kahariwang sacara umum, sapertos kahariwang kaleuleuwihan, palpitasi, sesak napas, késang seueur, otot tegang sareng kaku, sareng nyeri sirah tiasa muncul. Balukar anu bisa timbul alatan kahariwang ieu nyaéta gangguan saré, loba keluhan fisik, hésé fokus, jeung horéam sosialisasi jeung lingkungan sabudeureun.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2183", "text": "Taun 2017 abdi dicalonkeun salah sahiji mahasiswa anu teu katarima ku SNMPTN. Waktu éta kuring ngan ngarasa normal sabab dina pamanggih kuring SNMPTN ngan hiji bonus nu teu sadaya jelema meunang. Waktu kuring kelas 12, kuring asup ka kelas les di Jakarta. Mimitina rame pisan, tapi pas pengumuman SNMPTN, loba anu katarima langsung ngarasa sepi dina les. Waktos eta kekecapan nu nyecep kana sungut abdi, “Muhun, sanes anjeunna tos katarima di PTN, abdi? Teu kunanaon.\" SBMPTN datang, kuring milih Kaséhatan Umum jeung Téknologi Pangan di salah sahiji paguron luhur di Indonésia, teu kudu disebutkeun yén anjeun kudu nyaho. Bewara sumping, kuring langsung ngecek website SBMPTN sareng ngalengkepan datana. Hasilna?\nTEU SUKSES JEUNG JAGA SEMANGAT!\nPengumuman SMMPTN Jabar, upami teu lepat, tabuh 14.00, tapi hilap pisan, hapunten abdi teu minat. Karek inget waktu muka galeri aya poto brosur SMMPTN Jabar jeung waktu pengumuman SMMPTN Jabar. nu nyiptakeun hasil yen ti angka 500 orang nu daftar han 50 orang nu tiasa asup ka Universitas Tirtayasa, nu mereunan artina ti strategi milihan abdi kudu bener jeung rangkaian les.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5914", "text": "Poe ieu abdi bade tampil ngadongeng dina panggung. Abdi sieun pisan dongeng nu ku abdi sampaikeun teh teu narik perhatian penonton. Sieun bisi poho alur carita, sieun bisi teu diperhatikeun, oge sieun bisi ngalaukeun kasalahan. Abdi meuni deg-degan pisan poe ayeuna teh. Samemeh naek panggung teh awak meuni asa tariis, leungeun ngageter, sieun bisi ngalakukeun kasalahan dina panggung. Pas ngaan abdi dipanggil, abdi naek ka panggung bari babacaan, sing dimudahkeun dina sagala hal. Untungna abdi tiasa nampilkeun dongeng sasuai jeung nu diapalkeun, teu aya kendala saeutik acan. Alhamdulillah sagalana berjalan lancar, sagala kacemasan jeung dema panggung teh bisa diatasi ku abdi. Abdi ngarasa bangga pisan ka diri sorangan sabab bisa naklukeun tantangan.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8165", "text": "Phobia mangrupa sieun kaleuleuwihan hiji hal anu biasana teu bahaya. Sieun ieu tiasa timbul nalika nyanghareupan kaayaan anu tangtu, aya di hiji tempat, atanapi nalika ningali sato sareng objék anu tangtu Phobia kaasup kana kaayaan gangguan kahariwang. Jalma jeung phobias biasana bakal nyoba nyingkahan kaayaan jeung objek nu bisa memicu sieun, atawa nyoba nungkulan eta bari nahan sieun jeung kahariwang. Phobia bisa ngabalukarkeun gejala fisik jeung mental alatan sieun kaleuleuwihan nalika ningali atawa nyekel objek nu dipikahariwang. Gejala oge tiasa muncul nalika penderita aya dina kaayaan anu nyababkeun fobia. Pariksa ku dokter Anjeun upami anjeun gaduh phobia, utamana lamun phobia nu ngaganggu kalawan produktivitas jeung kagiatan sapopoe, naha di sakola, pagawean, atawa di setelan sosial.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1028", "text": "Sabenerna mah penderita fobia sosial teh sadar mun rasa kasieun jeung hariwang nu dialaman ku manehanana teh kaleuleuwihi jeung teu wajar. Tapi lolobana mah teu apal kumaha cara nyageurkeunna. Tapi nu dialaman ku babaturan urang mah ayeuna manehna henteu deui fobia sosial, lantaran manehna rutin diubaran ku medis. Biasana dibere obat-obatan jang nyageurkeun fobia sosial tapi luyu jeung pituduh jeung pengawasan dokter, lantaran teu bisa digunakeun sambarangan. Nu ku manehna rasa mah pas geus diubaran ku medit teh, gejala fobia sosialna geus mulai ngurangan lantaran rutin nginum ubar. Tapi sakapeung mah mun teu nginum ubar sok muncul deui gejalana. Jadi ayeuna mah dikuranganna teu langsung eureun, tapi dikurangan saeutik-saeutik.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6882", "text": "Abdi diajakan ku rerencangan pikeun lalajo hiji pelem anyar. Ceunah mah pelem ieu teh rame pisan, komo lalakon na oge artis-artis anu tos maen di pelem-pelem anu aralus. Abdi langsung nongton ka bioskop sareng rerencangan, manehna meserkeu tiket kanggo kuring oge lantaran aya diskon. Pas tos beres nongton, abdi resep pisan kana pelemna, ka carita dina pelemna, ka para lalakonna jeung sadayana. Teu lila ti dinya abdi ningal dina tipi yen pelem eta teh meunang penghargaan dina kategori lalakon pang sae na. Abdi miluan bungah lantaran abdi oge satuju yen manehna pantes meunang eta panghargaan lantaran ektingna dina pelem eta teh alus pisan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3421", "text": "Kumaha anjeun ngingetkeun babaturan anu bau awakna goréng tapi ku kecap anu teu menyakiti?\nLengkah-lengkah enya..pigawe runtuyanana\nBéjakeun ka réréncangan anjeun yén anjeun nembé dibayar sareng nampi langkung seueur bonus\nNgubaran anjeunna ka ciki atanapi bakso, sop, pangsit, jeung sajabana.\nAjakna ngabaturan balanja di minimarket/toko.\nCandak 2 lembar sabun mandi. Bejakeun ka anjeunna, \"Ieu kanggo anjeun hiji, pikeun kuring hiji\".\nCandak 2 deodorant atanapi deo lotion. Bejakeun ka anjeunna, \"Ieu kanggo anjeun hiji, pikeun kuring hiji\".\nCandak 2 botol parfum. Béjakeun ka anjeunna ieu kanggo anjeun, hiji kanggo kuring.\"\nCandak 2 bungkus permen mint. Ucapkeun hal anu sarua ogé.\nTeras samemeh pisah ka imah masing-masing nyarios kieu ka anjeunna, \"Ulah hilap dianggo, muhun, upami béak, bulan payun urang mésér deui, tapi giliran anjeun anu ngubaran.\"", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7341", "text": "Dina kondisi jalan anu pinuh ku kandaraan umum, aya hiji angkot anu ereun di mana wae nurunkeun jeung ngasupkeun panumpang ka mobil janten nyieun jalan macet. Kandaraan mobil jeung motor anu aya di tukangeunna janten kahalangan ku angkot eta. Komo aya panumpang anu mayar nganggo artos anu badag, jadi we si sopir teh kedah milarian angsulan heula, beuki lila, beuki jalan macet. Angkot eta oge sok ereun di mana wae, jol melok. Jadi we loba kandaraan anu ngalakson angkot eta lantaran keheul meni sangeunahna make jalan, jiga jalan teh boga manehna sorangan. Seeur oge jalmi anu ngagorowokeun angkot eta lantaran geus keheul pisan.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6383", "text": "Biasana, niron waktu keur ujian teh sok dianggap hal nu dilarang pisan jeung hal nu goren jang dilakukeun. Tapi nya karena geus jadi kabiasaan, ayeuna mah niron ge sok loba pisan akal-akalan nana. Aya nu niron na make tulisan leutik nu disempilkeun dina lengeun atawa dina barang nu dibawa, aya nu nironna sok make alat canggih oge jiga basa UTBK. Jadi, alat canggihna teh mangrupa earphone anu dimodifikasi supaya tersambung jarak jauh jeung perangkat lainna lewat hape. Tah biasana model ieu mah sok aya mun keur seleksi masuk perguruan tinggi atawa seleksi CPNS. Biasana oge hal ieu sok teu luput tina sistem pengamanan pelaksana seleksina.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "2513", "text": "Di balik kasenangan ngabayangkeun gaduh dua orok sakaligus, naha anjeun terang yén kakandungan kembar rélatif langkung résiko tibatan kakandungan sareng fétus tunggal. Abdi tiasa preeclampsia Pre-eclampsia biasana dimimitian sanggeus 20 minggu gestation di awéwé anu tekanan getih normal. Ieu tiasa nyababkeun komplikasi anu serius, bahkan fatal, pikeun indung sareng orok. Nu Bisa jadi euweuh gejala, diabetes, perdarahan, ngalahirkeun prématur, orok kuring lahir leutik atanapi anu paling parah résiko kaguguran, kalahiran maot (kelahiran kénéh), atanapi cacad kalahiran. Teu nyebut résiko depresi postpartum. Beuki loba fétus anu dikandung, beuki luhur résiko. Tapi, kumaha atuh loba ibu hamil anu sehat sarta ngalahirkeun fétus maranéhanana dina istilah pinuh.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5594", "text": "Poe ieu teh mangrupakeun poe ulang taun abdi nu ka dua puluh. Biasana mun ulang taun teh sok dibere kue ulang taun ku lanceuk. Tapi poe ayeuna mah asa hare-hare wae, jigana mah teu ingeteun kana poe ulang taun abdi. Beres mandi sore teh abdi langsung ngerem we di kamar gogoleran bari ngoprek hape. Aya liwat satengah jam mah ngoprek hape, abdi reuwas sabab lanceuk jol we asup ka kamar bari mawa kue ulang taun. Alhamdulillah ning ingeteun keneh kana ulang taun abdi. Abdi ngarasa atoh pisan harita. Beres tiup lilin, abdi ka hareup jang motong kuena babarengan. Alhamdulillah seneng kacida sabab dibere hadiahna di hampir ujung poe.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "6089", "text": "Cara ngatasi rem blong keur berkendara teh nyaeta bisa dilakukeun ku opat hal didieu. Nu kahiji nyaeta turunkeun ka gigi pangrendahna. Tujuanna supaya bisa ngahambat laju kendaraan. Nu kadua nyaeta pake rem tangan, tujuanna suoaya bisa ngahambat laju jeung ngeureunkeun kandaraan ku rem tangan. Nu katilu nyaeta tong maehan mesin, antep we titah hirup. Sabab mun mesin paeh mah bakal bahaya pisan jang diri sorangan oge jang batur. Nu kaopat nyaeta benturkeun ka benda nu aman ti batur. Mun geus teu bisa katahan mah mending benturkeun kana benda nu aya disekitar, tapi kudu jauh ti jalma supaya teu ngabahayakeun nyawa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "367", "text": "Basa keur leutik keneh boga panyakit herpes, cara nyembuhkeunna bisa sacara alami. Salian ti pengobatan ka dokter, bisa oge ngagunakeun obat alami herpes jang ngaleungitkeun herpes. Nu kahiji sayuran anu warna berureum, sabab bisa ngaleungitkeun herpes atawa penyebaran virusna kana awak. Nu kadua bisa oge make minyak zaitun, carana bisa nyiapkeun 1 minyak zaitun, tuluy dipanaskeun dina microwave sakeudeung jeung tambahkeun sababaraha keclak minyak lavender jeung lilin. Tungguan nepikeun ka tiis tuluy tinggal dioleskeun ka kabeh awak atawa bagian awak nu kena infeksi virus herpes. Nu terakhir bisa ngagunakeun es batu, sabab mindeng karasa nyeri jeung arateul, jadi bisa dikompres bagian anu karasa nyerina ngagunakeun es batu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7274", "text": "Pas nuju kukumpul di imah nini, aya hiji dulur abdi anu karek balik ti luar negeri. Manehna mawa sababaraha oleh-oleh, tapi oleh-oleh na teu cekap lamun dibagikeun hiji-hiji ka sadayana. Tungtungna manehna nyieun undian. Anu bade daptar dititah nyerat nami dina kertas. Pas tos kakumpul kertasna teras dikocok kanggo nentukeun saha anu meunang salah sahiji hadiah eta. Abdi ngincer pisan hiji jaket anu sae pisan. Pas tos dikocok, manehna nyebutkeun ngaran kuring anu kahiji. Kuring reuwas sakaligus bungah lantaran tiasa milih tiheula hadiahna. Tanpa mikir deui abdi langsung nyandak eta jaket anu dipikahoyong. Abdi teras ngucapkeun nuhun ka dulur abdi.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "3393", "text": "Numutkeun hasil survey Jakpat, 42,8% responden mindeng meuli baju anyar lamun aya acara atawa hajatan tangtu. Kaasup iraha datang momen lebaran. Momen lebaran idéntik jeung kagiatan meuli baju anyar pikeun urang Indonésia. Tradisi ieu geus lumangsung salila sababaraha taun di nagara éta. Hal éta ogé katémbong dina hasil survéy Jakpat anu dilaksanakeun dina tanggal 4 Maret 2022. Numutkeun hasil survéy, 42,8% responden mindeng meuli baju anyar nalika aya acara atawa hajatan tangtu, kaasup lebaran. Saloba 35,03% réspondén nyatakeun yén kagiatan meuli baju anyar dilaksanakeun sanggeus gajian atawa meunang bonus. Salaku tambahan, 32,8% responden ngagaleuh nalika ningali baju anu saé. Saloba 24% réspondén meuli baju anyar nalika bosen ku koleksi pakéan anu dipibanda. Samentara éta, 6,9% réspondén mésér baju énggal dina waktos sanés. Samentara éta, seuseueurna atanapi 65.7% réspondén mésér baju ngalangkungan pasar online atanapi e-commerce. Saloba 59,1% responden masih balanja di toko offline. alesanna loba nu hayang teu sarua baju lantaran lebaran.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "7565", "text": "Di lampu bereum, biasana lamun lampuna geus hejo, kandaraan teh paboro-boro kanggo ngaliwatan lampu hejo sateuacan janten bereum deui, ku lantaran eta seeur jalmi anu tungtungna ngararebut sangkan teu tinggaleun lampu hejo, seeur motor anu seseledek di gigireun treuk jeung beus, salah sahijina nyaeta motor anu aya dihareupeun kuring, motor eta seseledek bari ngebut pas lampuna bereum keneh, tungtungna mah pas lampu hejo, manehna katabrak treuk anu aya di gigireun manehna, untung we manehna teu kunanaon ngan labuh hungkul di caket trotoar. Abdi langsung sieun kana treuk. Pokona mah lamun di jalan aya treuk mending jalan di tukangeun rada jauh, ulah dekeut-dekeut kana treuk. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2457", "text": "LED mah (tingkat sedimentasi getih) kacida abdi luhurna dina 2013. Gantina dahar, malah cai nginum ngarasa kawas ngelek pebbles. Nyeri pisan. Beurat kuring turun drastis sabab kuring hésé pisan tuang. Kuring geus ka sababaraha dokter, tur aya dokter anu ceuk kuring ngan boga masalah jeung otot (Kuring poho naon vonis éta, ngan inget bagian otot) sarta ngomong yén aya nanaon salempang ngeunaan. Tapi ku sabab kaayaan kuring teu pulih saenggeus nginum obat anu dipasihkeun ku dokter, indung kuring dibawa deui ka dokter anu parantos ngarawat nini sareng akina sateuacana. Pas dugi ka padumukan dokter, anjeunna langsung nyimpulkeun yén LED kuring luhur sareng naroskeun ka indung kuring pikeun nyandak tes getih.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5269", "text": "Nyeuri hate ku babaturan sabab teu dihargaan jadi salah sahiji hal nu mantak kecewa ka diri sorangan. Komo mun nepi ka direbut hakna kubabaturan. Harita abdi sok latihan arung jeram di Citaum, unggal poe. Abdi latihan kagge persiapan Porprov Jawa Barat. Abdi tekun latihan dugi ka aya peningkatan dina kamampuan. Abdi persiapkeun sadaya jang tanding sabaik mungkin. Tapi, pas hari H pertandingan, abdi teu turun tanding, kalah digentos ku babaturan abdi nu deukeut pisan. Anjeunna tara latihan, sedengkeun abdi unggal poe. Abdi rada teu narima oge sabener na mah. Katambah deui eta babaturan abdi teh teu sasadu atawa nyarios basa-basi tos ngaebut hak abdi. Abdi jadi main jengkel jeung kecewa. Teu nyangka babaturan deukeut bisa jadi kitu. Pelajaran berharga pisan jang abdi kahareupna moal babari percaya deui ka batur.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4684", "text": "Basa jaman sakola sababaraha tahun katukang urang boga hiji babaturan lalaki anu luwes jeung pinter pisan nari jelema na. Babaturan urang ieu resep pisan ka seni tari tarian rek anu tradisional atawa kontemporer maneh na resep pisan tuluy budak na pinter jeung babari di ajar jadi bisa sagala tari tarian. Babaturan urang ieu oge pernah miluan lomba tari tuluy meunang tapi manehna ngahaja nutupan eta kabisaab jeung prestasi na dina tari di sakola kusabab sieun di bully. Maneh na keur di sakolaan samemehna pernah di bully lantaran eta. Maneh na sempet putus harepan, maneh na era jeung mikir rek ereun nari kusabab di bully.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3430", "text": "Waktu harita, sanggeus acara masarakat di hiji musieum di Kota Bandung, kuring jeung babaturan duaan datang ka warung es krim Milo. Tétéla aya réréncangan ti komunitas urang ogé anu ngagaleuh. Teras naros sabaraha hargana, cenah 5 rebu. OKÉ, kuring jeung sobat mesen ti seller. \"Bu, abdi badé ngadamel és krim dua,\" bari ngasongkeun duit 10.000. Tuluy nu ngajualna rada reuwas, tuluy nyarita “Hargana 15 rebu emas”. Teras we ngawaler \"Oh, sanes 5 rebu, Bu?\". Si mba bari imut, ngomong \"5 rebu teh cai mineral, mas, si mba (babaturan urang) meuli cai mineral, lain es.\" Teras kuring sareng rerencangan pateuteup teras dibarengan ku seuri nutupan rasa éra anu teu kaukur. Tungtungna urang masihan tambahan 20 rébu. Tétéla anu ngajual és krim ogé ngajual cai mineral. Ngan kusabab éta tempat és krim, kami panginten yén réréncangan masarakat ogé mésér és krim.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5149", "text": "Ayeuna mah seueur youtuber nu ngayakeun give away, biasana dina bentuk hape atawa produk manehna. Biasana diayakeun secara online nyaeta lewat akun youtube manehna. Jadi, nu rek ngiluan give away tinggal komen wae di kolom komen, terus ke ngaranna auto ka simpen di sistem. Tah pengundianna biasana dina live, make sistem aplikasi pengundian. Tapi biasana dina sistem online kieu mah sok aya nu ngalicikan, komo nu paham dina IT mah. Cara ngalicik na teh nyaeta make rumus atawa aplikasi tertentu. Ngan balik deui, terlepas aya nu ngalicik atawa henteuna, angger we dina sistem undian mah milik nu kuat, kaberuntungan nu jadi patokan. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8495", "text": "Somat sakali ngarasa era teu kaampeuh. Hal eta lumangsung nalika anjeunna nuju rapat sareng atasan di kantor. Kajadian ngerakeun harita. Anjeunna parantos nahan kentut ti mimiti rapat. Tapi ku sabab ngarasa keuheul menta idin ka bosna ka wc, manehna nahan gas. Tapi nalika anjeunna masihan presentasi, anjeunna ngahaja ngaluarkeun gas dina beuteungna. Sakedapan, sarerea jempe, melong ka Somat. Somat ukur bisa nahan rasa era jeung menta hampura. Kabeh panon nanya siga nu nanyakeun katerangan ka Somat tapi untung sutradara ngidinan Somat neruskeun presentasi. Saatos giliran nampilkeun anjeunna masih keneh éra sabab anjeunna leres-leres henteu nyangka. Sanggeus pasamoan, manehna masih isin komo deui lamun rekan-rekan gawena seuri ka manehna ngeunaan kajadian. Bener jadi era.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "337", "text": "Gejala trauma pas budak keneh nu katinggali tina parobahan sikep. Nu kahiji teu bisa sare jadi tanda lamun budak mimiti ngalaman ngimpi buruk atawa kaleungitan kamampuan jang sare gancang jeung tibra. Nu kadua, keleungitan minat kana aktivitas normal, maranehna bisa wae kaleungitan minat jeung hal-hal nu saacanna mah dipikaresep pisan pas ngalakukeunna. Nu katilu emosi nu teu stabil, cenderung mibogaan emosi nu barobah gancang. Nu kaopat kesedihan pas budak leuwih mindeng sedih, murung, jeung ceurik sacara tiba-tiba euweuh penyebab bisa jadi tanda lamun aya hal atawa kajadian anu keru atawa masih aya urutna dina ingetan. Nu terakhir cemas lamun budak papisah atau jauh-jauhan jeung kolot.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "4403", "text": "Carita parsalingkuhan teh carita nyata jeung geus dekeut ka masarakat, carita anu geus teu aneh deui. Malahan bisa jadi sakabeh carita dina tv sinetron atawa film teh sabenernya di cokot tina kisah nyata. Saperti carita yen sekretaris jadi salingkuhan bos na padahal bos na geus boga pamajikan jeung budak. Bos na atawa salaki na ieu cicing cicing di tukangen pamajikan na ulin jeung bobogohan deui jeung sekretarisna. Pamajikan na bageur pisan tapi babari di bohongan. Sagala na aman jeung geus lila nepi ka akhirna pamajikan na apal yen salaki na salingkuh, pamajikan na ngamuk nyalahkeun salaki jeung sekretarisna kunaon bisa tega tuluy salaki na menta hampura tapi pamajikan nana geus teu daek narima.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "2989", "text": "Sanggeus sababaraha bulan sakola, kuring ngarasa hiji hal aneh. Aya lalaki nu naek motorna lalaunan pisan ampir unggal isuk tukangeun kuring. Lamun kuring ngalieuk jeung neuteup ka jalma, manéhna sok ngahindar jeung pura-pura nempo sabudeureun atawa ngan jarakna rada jauh. Mimitina kuring nyingkirkeun kacurigaan. Nepi ka ahirna kuring nempo budak ieu di hareupeun sakola kuring sarta nalika kuring balik ka imah manéhna ogé nuturkeun. Kuring teu nyaho beungeutna sabab make helm jeung kuring oge teu pinter nginget-nginget beungeut jelema. Ngan aya hiji hal anu kuring apal kana bentuk motor jeung fisikna. Nalika kuring yakin kuring diturutan, kuring nyobian tetep tenang. Kuring bébéja ka babaturan anu pangdeukeutna, kuring naroskeun aranjeunna ningali éta jalma. Ahirna sadar yén ampir unggal poé éta jalma aya di sakola. Tah didinya mah pasti kuring teh keur dituturkeun ku eta jelema. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "1355", "text": "Keur pasantren mindeng di jam-jam waktu nu senggang santri-santri teh sok maraen bola di hareupeun kobong, lapangan eta harejo da rumputna oge nepikeun ka paranjang. Mimitina mah biasa maen teh bari seuseurian, tapi pas keur labuh ku sabab di seleding urang ngambeu bau tai ucing nu nyegak. Nepikeun ka nutupan irung ku baju bagian luhur. Anu akhirna mah kapanggih tempat ucing eta modol aya di mana, saking ku lobana urang eureun maen bolana da geuleuh ninggalina oge jeung sieun katincak, ditambah bauna anu nyegak geus teu kuat nepikeun ka hayang utah sanajan teu ngahaja ditinggali ge tapi da tetep katinggali.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "2460", "text": "Taun 2016, taun nalika kuring mimiti dijemput di kost kuring ku ambulan kusabab nyeri kolik dina cangkéng kuring, nyeri pisan dugi ka kuring henteu tiasa nangtung bahkan sesah napas kusabab nyeri henteu angkat. jauh sanajan kuring menta ka gusti pangeran. Éta ngan ukur ngaleungit nalika kuring nampi suntikan analgesik sareng parantos nganggo sababaraha botol infus. Babaturan kuring dipasang pikeun kuring. Tapi teu pira parobahan signifikan.\n\nAhirna, ambulan datang ka kosan kuring. Nalika dugi ka kamar darurat, kalayan ultrasound makeshift, nyatakeun yén kuring ngagaduhan ginjal ngabareuhan. Teras, abdi langsung diterbangkeun ka Jakarta sareng langsung ka ruang gawat darurat. Nalika nyeri mimiti ngaleungit, kuring indit ka mall on jkt. Sumuhun, éta pisan sabab kuring teu ngarasa gering deui.\n\nTengah peuting, kuring dibawa deui ka ruang gawat darurat kusabab nyeri kolik dina cangkéng. Jeung balik ka imah nalika nyeri subsides dina jam mimiti isuk-isuk. dinten anu sami, abdi isuk-isuk mesen tiket pesawat ti Jakarta ka Lampung. Pesen kuring, dina waktos éta: tong hilap nginum!", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4279", "text": "Di caritakeun ku bibi urang di lembur, yen ayeuna di lembur ceunah keur usum jurig. Ayeuna loba nu naringali jurig, ieu teh ceunah kusabab keur usum hujan wae da ceunah jurig teh resep kana hawa tiis jeung hujan anu ngariricik awet teu ereun ereun siga nu ayeuna biasa kajadian ayeuna. Bibi urang ayeuna mah geus teu pati reuwas deui lamun ningali jurig kusabab jeung mindeng pisan ningali ti jaman manehna leutik keneh. Ieu kajadian saeengges nini maot, di dinya bibi jadi bisa ningali ku kawas kitu, mimiti ningali di sakolaan nana ceunah di kamar mandi keur eta meni reuwaseun pisan nepi ka gering.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8216", "text": "Siti keur di sakola sawaktos gempa bumi kajadian di Cianjur ahir-ahir ieu. Sawakatos eta manehna keur diajar di kelas. Kabeh jalma ujug-ujug ngarasa dioyagkeunawakna tur kabeh sing jarerit tur lumpat nyelamatkeun dirina nyalira. Siti teu tiasa ngarespon nanaon, manehna teu kiat lumpat, ngajerit atanapi nyalamatkeun manehna sorangan. Manehna ngan tiasa nyumput handapeun meja tur ngadua sabari ceurik. Saatos gempa eren Siti ceurik keneh tur can tiasa keneh hudang ti kolong meja. Manehna kainget kulawargina nu aya diimah karugrug ku bangunan-bangunan. Ngabyangkeun eta teh Siti ceurik leuwih tarik sajadi-jadina. Nanging ujug-ujug aya leungeun nu ngabedol Siti kaluar tina kolong meja. Jalma ieu teh tetela bapakna nu nyusuan ka sakola, bapakna ngabejaan upai kulawrgina kabeh selamet eweh kirang nanaon.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2131", "text": "Tangtos teu aya buku panduan kumaha janten indung anu saé. Saban poé téh trial and error dina ngalaksanakeun peran indung kalayan unggal pola asuhan. Teu kacaturkeun lamun indungna ogé boga kalungguhan séjénna, upamana indung gawé. Sabenerna, jadi indung téh teu gampang. Sanajan teu kudu sampurna, ieu sababaraha cara pikeun jadi indung alus:\n1. Diajar tina pangalaman\n. Diajar tina pangalaman maranéhanana. Titénan kumaha parenting mangaruhan paripolah barudak maranéhanana\nCandak anu tiasa ditiru, tinggalkeun anu henteu tiasa. Ieu bisa jadi palajaran pohara berharga, utamana pikeun ibu anyar. Lamun ngarasa bingung jeung kudu nanya, ulah isin atawa horéam konsultasi jeung nu leuwih ngalaman, Alternatipna, Anjeun bisa maca sagala rupa buku parenting atawa hadir rupa webinar ngeunaan kumaha carana ngadidik budak.\n2. Teu sieun menta hampura\n dina kaayaan barudak, ulah ragu menta hampura lamun anjeun salah. Ieu bakal janten cerminan pikeun aranjeunna henteu ragu pikeun ngalakukeun hal anu sami nalika aya anu di luar ekspektasi. Wani menta hampura ka barudak teu nembongkeun sosok indung lemah. Justru, éta ngabuktikeun kumaha kuatna jeung stabilna émosi indung sangkan bisa ngaku kasalahan sacara sopan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6877", "text": "Ti mimiti kuliah abdi tos gaduh rencana hoyong janten Mapres (Mahasiswa Berprestasi). Pikeun ngahontal eta abdi tos mulai ngarintis usaha ti jaman maba keneh. Abdi seeur ngiringan lomba tingkat nasional jeung internasional, ngiringan kagiatan mahasiswa, janten relawan, jeung kagiatan ilmiah sapertos pasanggiri jeung ngiringan organisasi kemahasiswaan. Ieu mangrupakeun salah sahiji cara pikeun ngembangkeun kaahlian jeung kamampuan kuring. Abdi oge narima beasiswa ti universitas lantaran prestasi kuring. Pas aya pendaftaran Mapres abdi langsung daptar. Aya seeur pisan kandidat Mapres taun ieu, pas diseleksi abdi tiasa aya di posisi lima besar tuluy dipilih deui Alhamdulillah kuring teras kapilih janten Mapres taun 2018.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "2099", "text": "Mibanda baheula keur SMA aya kajadian nu sabenerna jadi peupeujeuh yen hasil mah kumaha gusti , hehehe. Basa eta mibanda aya pengumuman panghargaan jang siswa nu miboga nilai UN nu ageung, Meureun aya sababaraha detik nalika kuring bener-bener kaget jeung ngalamun sabab aya perasaan campur aduk antara senang jeung dina waktos anu sareng bingung, naha kuring meunang skor pangluhurna dina mata pelajaran anu kuring henteu malah diajar sarta ngan apal han bagena majas basa jeung struktur nulis surat lamaran pakasaban. Samentara éta, dina mata pelajaran basa Inggris. dimana kuring yakin kuring bisa meunang skor 90 atawa leuwih (malah 100 sabab éta rada gampang dina waktu éta), tétéla kuring ngan meunang 82. eta teh pangalaman nu moal bisa di pohokeun.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "4680", "text": "Urang lamun geus kabiasaan di bully ti baheula bakal sok ngarasa kasieunan sorangan ku hal hal anu sabenerna anyar jeung can pernah di cobaan. Kasieunan di bully ieu teh akibat na bisa fatal, bisa ngajieun mental ruksak jeung tungtungna bisa ngancurkeun harga diri jadina ngarasa yen urang teh eweuh kabisa, eweuh anu alus dina diri urang anu bisa di tunjukeun ke batur jadi ngarasa eweuh panghareupan ieu teh bahaya pikeun kahirupan jelema kahareupna. Lila lila lamun jelema ieu teu bisa ngalawan hirup na moal bakal maju, bakal kitu kitu wae salila na. Eta teh dampak bully anu panggede na bisa ngahancurkeun hirup batur.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "8544", "text": "Hiji poe, Adam indit ka kantor ngarasa bagja pisan. Manehna make baju anyar geulis nya jeung ngaharepkeun yen poe ieu bakal jadi poe alus. Sanajan kitu, sagalana robah nalika awak anjeunna mimiti bau goreng. Anjeunna nyobian nutupan bau ku parfum, tapi bau tetep. Adam mimiti ngarasa teu nyaman jeung hariwang alatan bau. Anjeunna diusahakeun neangan batur ngomong naha bau eta asalna ti anjeunna atanapi henteu. Nanging, nalika anjeunna naros, batur sapagawean nyarios yen bau eta asalna ti anjeunna. Adam ngarasa era pisan sareng teu terang naon anu kedah dilakukeun. Anjeunna teh mutuskeun pikeun balik sarta neangan solusi pikeun masalah ieu. ", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "9201", "text": "Waktu harita kuring keur jajan di hareupeun sakola jeung babaturan kuring. Waktu harita kuring keur meuli makaroni basah nu warnana koneng. Sabot si Mamang keur ngabungkus makaroni, kuring nempo aya nu gerak di jero makaronina. Tadina mah teu katingali sabab warnana ampir sarua jeung warna macaroni, tapi basa dideukeutan, ternyata eta teh bilatung. \"Mang, eta aya bilatung.\" ceuk kuring teh. \"Henteu, ieu mah bumbu.\" Ceuk si Mamang bari nyokot bilatungna tuluy dialungkeun teuing kamana. Jadi pas geus meuli eta makaroni teu didahar ku kuring teh, langsung dialungkeun kana tong sampah. Saprak harita kuring geus teu hayang meuli makaroni di hareupeun sakola deui, kuring masih ngarasa jijik ningali bilatung dina tumpukan makaronina.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6857", "text": "Kadang hirup mah sok aneh. Ai pas keur teu butuh aya, ai pas keur butuh-butuh na kalahkah teu aya. Lantaran tos lami teu aya semah datang ka imah, nampan anu biasana dipake kanggo nyuguhkeun semah tos duka ka mana. Ai pas nuju aya tamu we karek riweuh milarian di mana eta nampan, piraku gelas teh kedah dibawa hiji-hiji ti dapur ka ruang tamu. Kapaksa urang teh ngabongkar heula lomari piring di dapur, milarian nampan ageung kanggo nyuguhan tamu. Tos dipilarian di dapur teu aya, epekteh aya di kebon, kalahkah dijadikeun alas kanggo pot taneman. Tapi untungna masih keneh tiasa dianggo saatos dikumbah.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9217", "text": "Waktu kuring kelas 4 SD, kuring milu lomba tari. Tapi dina balapan éta kuring ngalaman kajadian anu ngerakeun. Waktos éta indung kuring mawa kostum pikeun nari. Nalika dipake di sakola, ternyata bajuna teh ngepas tapi masih tiasa dianggo. Nalika kuring nari, kuring sareng rerencangan diajak nari kalayan gumbira sareng sumanget. Jadi kabeneran lagu nu dimaénkeun téh lagu karesep kuring, beuki bungah kuring narina, tapi kusabab sumanget teuing kuring narina nepi ka gaya split. Ujug-ujug karasa calana teh siga nu rek soeh, pas ditempo bener wae calana teh soeh, jeung robekna rada gede. Kuring nangtung ati-ati supados teu aya anu ningali. Tapi réréncangan sareng guru parantos ningali kuring, tungtungna kuring leumpang bari nyepengan suku kuring supados henteu katingali calana soehna bari guru sareng babaturan seuri. Kuring langsung turun tina panggung, tuluy ka kamar ganti baju kanggo ngarobih kostum janten baju anu asli. Sabenerna kuring éra pisan kusabab kajadian éta, tapi kuring pura-pura henteu paduli.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "1071", "text": "Paling sieun teh dicarekan ku nini, sabab mun nini geus nyarekan pasti urang teh ceurik. Nini paling teu resep urang ngahambur-hamburkeun deuit kanu teu paruguh sanajan eta meunang ngumpulkeun tina duit jajan. Harita mah jaman maen game Play Station, jadi urang teu ngabejaan nini mun urang rek meuli PS eta. Geus meuli PS jeung nepi ka imah, urang susulumputan bari nyumputkeun PS eta dina kantong meh teu katinggalieun. Lantaran mun katinggali geus pasti ngambekan ka urang. Tapi sabab nini urang mah perasa, sok apal aya nu disumputkeun ku urang teh. Bener weh pas urang sakola, anjeunna manggihan PS aya di kamar urang. Tuluy urang dicarekan pas balik ti sakola.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4710", "text": "Basa keur leutik urang pernah di bintih ku hayam gara-gara urang liwat terus anak hayamna marencar kaditu-kadieu, sugan teh moal ngudag da geus rada jauh. Tapi teu lila indung hayamna ngudag nepika matokan suku urang jeung naek ka sirah urang, urang leweh didinya bari gogowakan, teu lila teh nini urang kaluar ti imah mawa sapu nyere langsung di gebug tah si ayam. Kumargi tos gaduh pangalaman, nepika ayeuna urang mun nempo hayam pasti kasieunan soalna mun hayam nempo urang pasti langsung ngudag. Saking ku sieun na, urang mun geus nyaho aya hayam di hareupeun urang sok langsung lumpat buru-buru, soalna kadang sok aya hayam anu geus di gebahkeun kalah ngahajakeun ngadeukeutan. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "7845", "text": "Lamun urang teu resep miceun runtah di imah, minimal mah lamun di tempat umum ulah kitu, lantaran urang teh teu hirup sorangan. Komo lamun ngaranna tempat umum mah artina tempat eta teh lain jang urang sorangan, tapi oge jan batur. Abdi sok keheul ka jalmi anu sok numpukkeun runtah dina meja saatos emam di tempat umum lantaran teu resep ningal runtah di luhureun meja. Komo lamun tempatna rame, kedahna urang ngaberesihan runtah urang sorangan sanajan geus aya patugas anu tugasna ngaberesihan tapi lain hartina urang numpukkeun runtah di luhur meja teras diantep jeung ditinggalkeun. Lamun urang langsung ngaberesihan, eta tempat tiasa langsung dianggo ku jalmi anu sanes.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "282", "text": "Poe kawinan sok aya loba barang nu dijadikeun maskawin, komo lamun di kampung mah. Mas kawinna sok dina bentuk barang, ngameh katinggali ku batur babawaeunna. Biasana jadi tolak ukur oge si calon salakina beunghar henteuna dina lobana babawaan maskawinna. Barang nu gede sok lomari, kasur, risbang, jeung sofa. Lamun barang nu leutik biasana anduk nu geus dihias jadi soang, tuluy sabun, jeung sajabana. Tuluy barang-barang maskawin tadi digotong kana mobil kol dolak, datangna teh sok beriringan jeung mobil calon panganten lalaki. Tapi barang nu gede mah teu dijadikeun simoblis jang ka pihak awewe, biasana make barang nu leutik tapi berharga siga emas atawa duit nu geus di hias.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "8172", "text": "Jalma-jalma teh sok ngarasa sieun nalika maot sabab sadar yen kahirupanna aya di ambang karugian. Maot mangrupikeun tungtung kahirupan sareng mangrupikeun hal anu teu tiasa dihindari. Sajaba ti eta, sieun maot oge bisa disababkeun ku sababaraha alesan. Sieun nyeri anu tiasa dirasakeun nalika maot. Sieun kaleungitan kontrol atanapi kamerdikaan kusabab kaayaan fisik anu parah. Sieun kaleungitan jalma anu dipikacinta sareng ngarasa teu siap ninggalkeun aranjeunna. Kateupastian ngeunaan naon anu lumangsung sanggeus maot. Kahariwang ngeunaan masalah finansial atanapi harta saatos maot. Sieun maot sorangan sareng henteu terang kumaha carana nungkulanana. Sieun maot mangrupikeun pangalaman pribadi sareng tiasa beda-beda pikeun unggal jalma. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6822", "text": "Seeur jalmi anu teu janten kuliah lantaran faktor ekonomi. Padahal ayeuna mah tos seeur pisan kasempetan kanggo saha wae anu bade kuliah jeung tiasa dibiayaaan ku pamarentah. Lamun urang na aya kahoyong pasti bakal ngusahakeun kumaha carana tiasa kuliah teu ngaluarkeun biaya. Salaku calon mahasiswa mah urang kedah aktif milarian informasi ngeunaan perguruan tinggi, kasempetan-kasempetan naon wae anu tiasa dirasakeun ku mahasiswa. Lamun ngomongkeun artos, seeur pisan piduiteun kanggo mahasiswa mah, asal urang na kedah tiasa maca kondisi lingkungan di sakuriling urang. Urang oge kedah ngalobakeun rerencangan, lantaran urang mah teu apal ti rerencangan anu mana urang tiasa meunang bantosan.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "636", "text": "Keur leutik mindeng ulin jeung babaturan tapi nu umurna di luhureun urang, dina kumpulan eta teh urang nu paling leutik umurna. Hiji waktu pas urang tepang taun, diajak ka imah hiji babaturan. Tapi urang teu apal bakal di prank da bebejana mah rek nongton film DVD. Urang asup ka imahna euweuh rasa aneh, tapi teu lila urang dititah asup ka kamar. Geus asup ka kamar, mata urang ditutupan ku kaen tuluy urang dititah andiprek diuk. Geus diuk si lampu kamar dipareuman. Teu lila, si kaen nu nutupan mata urang teh dibuka. Ku bakat sieun jurig, baheula mah keur hits jurig suster ngesot. Tah pas dibuka teh geuningan babaturan urang cosplay jadi jurig suster ngesot. Eta mah langsung ngajorowok bari lumpat ka luar imah.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7814", "text": "Lamun keur Idul Adha atawa lebaran haji, di masjid pasti sok aya sapi jeung domba anu bakal dipeuncit. Biasana sapi jeung domba ieu geus datang ti peuting sateuacan poe Idul Adha. Imah kuring kabeneran di hareupeun masjid. Ti sonten keneh tos aya sapi jeung domba anu cicing di masjid. Seeur marurangkalih anu datang ka mesjid kanggo ningal sapi jeung domba anu baradag. Pas eta sapi diturunkeun tina treuk, sapina langsung ngaluarkeun kokotor tina bujurna. Marurangkalih anu ningal eta sapi modol lansung malalundur lantaran geuleuh kana tai sapi. Pas karek kaluar mah teu pati bau, tapi beuki lila eta tai beuki bau jeung didatangan ku laleur. ", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "6012", "text": "Hal nu paling teu enak teh nyaeta dicarekan ku batur, komo ku atasan di dunia pagawean mah. Mun urang kinerjana teu alus, atawa loba nu teu sasuai, maka bakal dicarekan ku atasan. Tah, mantak eta, mun digawe teh kudu maksimal, kudu ngerahkeun sagala kamampuan nu terbaik nu dipikaboga. Ulah nepi ka gawe asal-asalan, komo kasebutna karyawan mah kan dibawah atasan posisina ge. Mantak eta, kudu sadar kana tanggung jawab di pagawean. Ulah asa pangbisana atawa asa pang kapakena, angger we gawe mah kudu maksimal jeung bereskeun tanggung jawab sasuai nu dilimpahkeun. Ulah nepi ka ngecewakeun. Yuk urang giatan deui gawena supaya ngahindar carek ti atasan komo nepi ka teguran mah!", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5548", "text": "Prank jadi salah sahiji perkara anu sering dilakukeun di zaman ayeuna. Komo di kalangan para content creator mah ieu teh salah sahiji trend anu saolah wajib aya dina kontenna. Hampir kabeh content creator ngajadikeun prank sebagai ladang kontenna supaya bisa neangan viewer nu loba. Ku kaayaan eta, prank teh saolah jadi trend anyar di masyarakat anu loba diturutan. Ngan, aya oge sababaraha oknum nu ngajadikeun prankna malah jadi negatif sabab ku kaleuwihan teuing. Malahan mah aya nu nepi ka ngabahayakeun nyawa soranganna jeung nyawa batur oge. Prank teh jadi ladang ngahasilkeun acis jeung sabagean besar youtuber. Hal ieu jadi hiji kasempatan nu nguntungkeun.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7248", "text": "Masih keneh carita prank anu dilakukeun ku Raffi. Basa Raffi jeung Nagita nuju liburan ka luar negeri, Raffi aya jadwa syuting di tipi. Matak Raffi kedah enggal balik ka Indonesia. Manehna tos ngawanti-wanti ka Nagita pikeun gugah enjing-enjing lantaran tos mesen tiket jeung tos ditungguan di tempat manehna syuting. Raffi ngahereuyan Nagita jeung nganganti jam dina hapenajanten dua jam leuwih lami. Pas tos jam opat (padahal jam tilu keneh), Raffi langsung ngagugahkeun Nagita kanggo buru-buru siap-siap angkat ka bandara lantaran tos telat, Nagita heran naha alarem na teu disada padahal manehna geus nyiapkeun alarem. Raffi teu ereun aambekan nepika di bandara.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "8525", "text": "Lamun make baju anu sarua jeung jalma sejen, biasana bakal nyieun hiji jalma ngarasa era pisan jeung teu nyaman. Era sareng teu ngarareunah ieu tiasa hasil tina parasaan saolah-olah dianggap teu asli sareng kurang gaya pribadi. Jalma anu ngagem baju anu sami sareng jalma sanes tiasa ngaraos janten pusat perhatian sareng sadaya panon aya dina aranjeunna. Aranjeunna tiasa ngaraos saolah-olah sadayana nyarioskeun aranjeunna sareng ngajantenkeun aranjeunna teu nyaman. Eta oge mungkin pikeun batur ngarasa teu aman sareng ngarasa saolah-olah teu cocog sareng lingkungan atanapi acara anu aranjeunna hadir. Ieu bisa nyieun aranjeunna ngarasa teu nyamanpisan sarta teu hayang ngobrol jeung jalma sejen atawa gabung kagiatan.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "607", "text": "Supaya urang mibogaan persiapan ngameh teu reuwas teuing pas ninggali jurig, urang oge kudu apal tanda-tanda ayana jurig. Nu kahiji biasana disabudureun kaambeu bau, amis, jeung kembang. Jadi mun urang leumpang atawa keur naek kendaraan, tuluy kaambeu bau-bau nu teu biasa, mangrupakeun tanda ti ayana jurig disabudureun urang. Nu kadua ayana rasa kasieun siga aya nu mimilu, hal ieu lain di tempat-tempat nu dipikasieun hungkul, tapi sakapeung mah kajadian di tempat nu mindeng urang datangan siga di imah. Nu katilu mindeng kadenge sora-sora aneh, sora-sora aneh nu munculna teuing timana, siga aya sora ceurik, aya nu menta tulung, komo sok aya oge sora hewan ti kajauhan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4064", "text": "Tahun 2020 kan aya virus covid, urang posisi karek angges kontrak di gawe pas bulan januari tanggal genep. Urang teu neangan deui gawe da mikirna hayang istirahat heula, terus di tambah urang hayang ngurusanan nini urang anu geuring stroke. Nepika bulan maret puncakna mulai loba jelema anu bareunang virus covid, makin kadieu makin loba jadi weh lockdown. Urang anu geus boga niat hayang gawe di jakarta jadi teu jadi, kusabab sieun da di jakarta paling loba anu beunang covid. Jadina urang nganggur, unggal kapanggih dulur sok di omongkeun pengangguran terus pernah basa eta mah di omongan urang teh jelema anu teu berguna. Urang pan budak hiji-hijina terus mun di ibaratkeun mah urang teh tulang punggung kaluarga, mun di pikir-pikir mah pas beak kontrak teh urang langsung neangan gawe tong nganggur heula. Soalna loba pisan tuntutan hirup teh, komo pas aya covid mah asa susah hayang nanaon ge, ngan saukur icing di imah. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "7865", "text": "Salaku jalmi anu kamamana numpak gojek, abdi era pisan basa abdi bade angkat ka kampus. Jadi caritana abdi buru-buru pisan angkat ka kampus lantaran tos telat, janten abdi oge ngasal nyandak calana anu aya di lomari. Sigana mah abdi teh salah nyandak calana lantaran pas abdi bade numpak motor, pas abdi nuju ngangkat suku teu lila calana kuring soek. Abdi era pisan ka sopir gojekna lantaran kadangu pisan sora calana soekna, abdi langsung menta tulung ka emang gojek kanggo ngantosan heula abdi ngagentos calana. Untung we kaburu kanyahoan sateuacan dugi ka kampus janten abdi teu era make calana bolong ka kampus.", "label": 6, "label_text": "shame"} +{"id": "5281", "text": "Tips mohokeun kasedih dina kahirupan urang. Nu kahiji nyaeta traveling atawa jalan-jalan. Mun keur sedih, urang kudu nyobian jalan-jalan ka tempat nu indah, supaya kasedih urang kalihkeun ku kaendahan alam. Nu kadua nyaeta olahraga. Lakukeun olahraga jiga jogging, push up, jeung sit up atawa olahraga nu dipikaseneng ku urang supaya ngurangan rasa sedih. Olahraga teh ngarangsang hormon endorfin nu mantak mawa bahagia dina hirup urang. Jadi, cocok pisan mun keur sedih lampiaskeun nana kana olahraga. Nu katilu nyaeta nonton film. Nonton film jadi salah sahiji media pengalihan stress nu bisa ngarangsang hormon endorfin supaya ngaganti stress jeung sedih jadi kabungahan.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "685", "text": "Urang salah sahiji nu sieun kana sato komo deui satona teh nu aya peurahan siga oray. Harita pas meunang kado tepang taun ti babaturan, ku urang dibukaan hiji-hiji. Teu apal ieu kado teh ti saha wae lantaran euweuh ngaranan. Ti mimiti kado nepikeun ka pertengahan mah aman-aman wae muka kado teh, da eusina oge balender dina artian teu ngajailan. Naha eta mah pas muka kado nu ka 5, pas dibuka teh reuwas. Reuwasna da nu bijil tina kado teh oray-orayan bari langsung nyaplok pas dibuka teh. Duh aya-aya wae nu mere kado teh, enya ge heureuy tapi kumaha urang mun boga panyakit jantung pan ulah reuwas.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4443", "text": "Isu SARA teh sensitif pisan matakna sering di anggap jadi sumber perpecahan nagara, aya dampak soal isu SARA salah sahijina tina dampak sosiologis kaayaan siga kieu ngajadikeun konstruksi sosial makna SARA di masarakat leuwih didominasi ku sudut pandang rezim. SARA dianggap ku nagara salaku sumber perpecahan sareng konflik sosial. Ieu lajeng ngajadikeun SARA pangaweruh tabu atawa kanyataan. SARA sok ditingali ku masarakat salaku potensi konflik tinimbang energi pulitik anu bisa nyiptakeun demokrasi jeung pluralisme sosial. SARA teh jadi hese ku sabab masarakat indonesia teh majemuk, loba rupa na tina Ras, Suku jeung Agama na. Ari geus kitu lamun urang anu minoritas di perlakukeun teu alus di tempat mayoritas pasi aya rasa ambek komo lamun di bahas soal Ras jeung Agama padahal eta teh privacy jelema masing masing.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "7213", "text": "Ieu pangalaman sababaraha taun ka tukang nalika kuring masih aktip dina klub motor. Hiji waktu kira-kira jam 12 peuting urang anjog ka Uluwatu jeung istirahat di sisi jalan tepatna di hiji jembatan. Kulantaran awak abdi cape, kuring teras ngagoler sakedap di sisi sasak bari sare, teras balik ka bumi kusabab hoyong istirahat. Pas nepi ka imah kuring langsung bebersih jeung sare, ieu kajadian anu sok diinget-inget nepi ka ayeuna, waktu kuring keur sare nyenyak jeung geus isuk-isuk sakira jam 8. ujug-ujug kuring ngarasa suku kuring dicekel pageuh ku leungeun jeung kulit bodas bulak, ramo panjang tur ipis tuluy ditbetotpageuh ka arah tungtung ranjang, otomatis panon dibuka jeung kuring nempo aya sosok kuntilanak.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5134", "text": "Mona laptopna rusak, teu bisa hurung. Mona kudu ngumpulkeun acis nyalira sabab moal mungkin ukeun ka orang tuana da kuliah ge ngandalkeun beasiswa. Mona nyisihkeun sabagian uang jajanna jang nabung meser laptop. Kaleresan harita teh uang beasiswa na cair. Langsung we ku Mona dipeserkeun kana laptop sadaya acisna teh. Mona kacida senengna bisa nyepeng laptop deui, jadi moal kateter ngerjakeun tugas kuliah ayeuna mah. Mun jajan sapopoe mah Mona bisa ngandalkeun tina hasil dagang jajananna. Nu penting mah laptop tos kapeser, janten tiasa ngudag tugas nu tinggaleun. Mona atoh pisan jeung teu eureun ngucap syukur kana pertolongan nu Maha Suci, pas ninggang butuh teh aya wae rezekina.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "6952", "text": "Aya sababaraha hal anu tiasa urang lakukeun kanggo ngurangan nepikeun ngaleungitkeun trauma basa leutik nyaeta urang tiasa kempel sareng jalmi anu nyaah ka urang. Jauhan jalmi anu ngajahatan urang, fokus ka jalmi anu ngahargaan urang. Ngajagi pola hirup anu sehat nyaeta dahar anu cekap sareng istirahat anu cekap. Urang oge kedah mineng ngalakukeun aktipitas anu seeur supados urang fokus ka diri sorangan teu mikiran jalmi anu jahat ka urang. Ngurangan nginuman alkohol jeung ubar oge ngajadikeun urang leuwih sehat jeung kahindar ti hal-hal anu kirang sae. Lamun urang masih ngarasa kirang, urang oge tiasa datang ka psikolog, ahli anu bakal apal carana supados urang tiasa damai sareng kajadian di jaman baheula. ", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "8189", "text": "Febri teu tiasa nu ngaranna renang. Nanging ayeuna manehna kudu mentas laut kusabab rek indit ka Sumatra. Salila diluhur kapal Febri teu wani lelempangan kamana-mana kusabab sieun ngacleng ti kapal komo sawaktos eta ombak na nuju ageung. Febri sieun kaleuleup kusabab manehna pernah ngalaman kaleuleup. Kajadianna keur kelas tilu SD. Disakola Febri keur aya praktek renang, kagiatan ieu teh wajib diturutan ku budak kelas 3 SD kaluhur. Kusabab Fberi sawaktos eta pertama kalina renang manehna bungah pisan tur mincrak di kolam renangna. Teras teu aya nu nganyahoankeun Febri asup ka kolam nu jerona dua meter. Kusabab pendek Febri teu tiasa napakkeun sukuna tur kaleuleup. Ti waktos eta Febri janten sieun kaleuleup.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6085", "text": "Salah sahiji kacilakaan fatal nu terjadi di tol Cipularang teh nyaeta kacilakaan nu disebabkeun ku dumptruk nu remna blong. Di jalan tol teh aya dumptruck anu ngalaju sepertos biasa nu mawa muatan taneuh proyek. Pas dina jalan mudun, rem na tos saeutik aus, jadi potensi bakal rem blong. Saberes pudunan teh dumptruck teu bisa direm, malah nyuruduk mobil minibus nu ngajajar sabab macet di hareupeun nana. Minibus nu keur macet teh dihantam ti tukang ku dumptruck nu remna blong. Eureun soten pedah dumptruckna tibalik jeung tiguling. Mun teu kitu mah jigana bakal seueur pisan korbanna. Kacilakaan ieu teh ngarenggut seueur korban jiwa jeung ngalibatkeun leuwih ti sapuluh mini bus nu ngalai karusakan parah.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2084", "text": "Survei ti Carousell anu ditampi ku Genmuda.com Salasa (26/9) mendakan yén 8 ti 10 urang Indonésia parantos mésér barang-barang anu dipikacinta, dimana 82% di antarana masih nyimpen sahenteuna 29 barang anu henteu dianggo di bumi, sareng 60% diantarana ngarasa tiasa meunang Rp 5 juta lamun ngajual sakabéh barang ieu nu teu dipake. Survei ieu ngahaja dijieun pikeun ngungkabkeun kabiasaan masarakat Indonésia nalika meuli jeung ngajual barang-barang pre-loved sacara online, hususna pikeun kategori fashion jeung gadget. Survei ieu ogé ngalibetkeun 1.000 urang di wewengkon Jakarta Raya, umurna antara 20-40 taun, kalayan panghasilan bulanan leuwih ti Rp 5 juta. kalawan kitu harusna geus jadi kabar mecakeun jang jalma nu beuki utar-uter jang neangan barang harga kaki lima qualitas bintang lima.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "7583", "text": "Sugan teh ucing mah bakalan bageur, moal ngegel jeung nudag siga anjing, tapi nyatana salah. Basa abdi nuju mondok di imah nini di Kopo, misan abdi gaduh ucing oranyeu anu dinamian Si Geboy, dinamian Si Geboy teh lain tanpa alesan, tapi lantaran manehna resep ngageboy. Abdi asalna teu apal ngageboy teh kumaha, tapi beuki lila Si Geboy mulai ngaganggu jalmi anu aya di imah. Lamun aya nu keur ngobrol, atawa keur diuk oge sok ojo-ojol diudag ku manehna, sateuacan ngudag manehna bakal ngagitek heula siga rek ngudag beurit. Abdi oge pernah diudag ku Si Geboy, mimitina mah abdi ngahereuyan manehna make kardus tuluy diudag, untung we abdi langsung asup ka kamar cai. ", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6018", "text": "Nempo jarum suntik jadi salah sahiji mimpi buruk bagi sabagean besar jalma. Komo mun nepi ka disuntik mah, bakal langsung kalap ningali jarum na ge. Teu saeutik jalma nu sieuneun ku jarum suntik. Sieuneun na teh sabab sieun bisi nyeuri pas disuntikkeun na, terus pas ngucurkeun cairanna bisi peurih. Padahal mah disuntik teh lain hal parah nu kudu dipikasieun. Meureun jigana pedah keur leutikna loba disingsieunan jarum suntik, jadi we nepi ka gede teh kabawa sieunna. Malahan mah aya nu nepi ka phobia. Ningali jarum suntik teh jiga jingali nu dipikasieuneun pisan. Hal nu kieu teh jadi hal lumrah di masyarakat sabab memang kaayaan nana loba nu ngalaman.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "645", "text": "Inget basa naek beus ka Banten, ieu urang karek mimitian deui naek beus. Jadi teu apal aya parobahan naon, boh eta bangunan atawa jadwal beus na. Pas nepi stasiun teh bener weh, stasiun beus nu baheula jeung nu ayeuna geus robah pisan. Nu ayeuna leuwih moderen siga bandara bentukna oge. Tapi versi mini. Jadi urang kudu boga waktu tambahan jang tunya tanya kamana jalanna. Pas geus nepi tempat beusna, urang reuwas beusna geus indit. Padahal tina jadwal teh masih keneh 5 menitan deui. Singhoreng teh si beus geus indit tapi masih lalaunan da sabari neangan penumpang. Untungna nu nganteurkeun urang masih aya di stasiun, jadi si beus eta diudag nepikeun ka tempat asup tol.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7254", "text": "Pangalaman ka hiji abdi numpak kapal terbang gagal lantaran poho masang alarm. Abdi oge teu apal lamun bade numpak kapal terbang teh kedah cicing di bandara minimal sajam sateuacanna. Abdi bingung pisan kedah kumaha lantaran abdi ayeuna nuju di kota batur, hoyong mulih ka bumi nyalira. Jaba di dieu abdi teu kenal sasaha. Abdi langsung ngabaran kulawargi di bumi, bisi aya nu tiasa ngabantosan meser tiket kapal anu mirah lantaran artos abdi ayeuna pas-pasan pisan. Pangalaman ieu janten pangalaman anu berharga kanggo kuring, ngke lamun aya kasempetan numpak kapal terbang deui kedah dipersiapkeun sing sae, jeung teu meunang telat hudang deui.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "630", "text": "Pas keur sakola SMA balik ti sakolaan urang dijailan ku babaturan, nyaeta sapatu urang disumputkeun. Urang reuwas sabab ngan boga hiji sapatu teh, lamun leungit teu apal kudu nginjeum ka saha, da mun meuli mah karunya kolot sabab sapatu eta teh masih kaitung anyar can aya sataun-taun acan. Urang ngalamun tapi sabari neangan susuganan sapatu urang teh nyumput lain sabab aya nu maok. Lamun inget kanu maok lantaran pernah aya oge disakolaan nu leungit sapatuna dipaok ku batur, urang inget kadinya wae bisi nu urang oge kasusna sarua kawas kitu. Sabab urang leungit teh di lantai tilu, urang geus nyerah neanganna, tuluy turun ka handap. Singhoreng teh sapatu urang geus aya dihandap ngahaja ku babaturan dibawa ngarah urang neangan.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "5309", "text": "Teu kudu sieun mun urang dituntut jang hirup mandiri sabab suatu saat ge urang bakal hirup sorangan. Tong sieun ngahadapi kasorangan teh. Kan beres kamatian oge urang bakal hirup sorangan dina alam salanjutna. Ngan nu kudu diinget nyaeta tong poho kana bebekelan nana. Bekel amal kasaean urang salila di dunia. Tong ngarumas mun urang dititah mandiri ku kolot. Jadikeun eta cara jang ningkatkeun kualitas kamandirian diri urang. Oge jadi salah sahiji ladang neang amal, supaya urang bisa ngabakti ka kolot tinu cara nu lain. Intina mah, ulah sieun kukumaha sorangan, kamamana sorangan, sabab urang yakin bahwa urang mampu ngalewati hal ieu.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "218", "text": "Lamun hayang lulus ujian akademik, tangtuna oge kudu aya persiapan ti jauh keneh, ulah nepikeun ka diajarna peuting saacan poe ujian, kusabab bakal kakurangan waktu jang istiraha. Pastina oge berdampak isukanna pas ngerjakeun soal-soal ujian. Asupan dahareun oge kudu diperhatikeun, jadi kudu dahar jeung nginum samemeh ujian ngameh boga tanaga jang ngerjakeun soal ujian. Lamun beuteung lapar atawa dehidrasi biasana kurang konsentrasi. Tapi ulah dahar kamalinaan oge, kusabab sok jadi tunduh. Kitu oge nginum ulah loba teuing, bisi bulak-balik ka cai wae. Tuluy nu penting oge, siapkeun peralatan jang ujian. Misalna kartu ujian atawa alat tulis, jeung pakean nu bakal dipake ngameh euweuh nu katinggaleun pas berangkat ka tempat ujian.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "1090", "text": "Basa harita banjir gede di imah, lantaran hujan sapeupeuting. Jadi cai anu di walungan teh meluap ka jalan, sabab imah urang leuwih handap ti jalan jadi cai teh kajero imah. Tapi ku bakat teu bisa nahan kana volume cai, kaca dinding oge nepikeun pareupeus. Akhirna ku urang dibukakeun panto meh cai laluasa asup, tapi dikondisikeun heula di imahna geus diberesan malah ditaekeun ka lantai dua. Urang ngungsi ka imah batur mu posisina leuwih luhur ti jalan, sabab imah urang lantai hijina satengah geus kakeueum ku banjir. Sieunna mah mun pas keur sare tuluy banjir teu kanyahoan, sieun palid ka bawa ku banjir.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "3002", "text": "Perlakuan utama pikeun jalma kalawan autophobia nyaeta Psikoterapi, kayaning terapi paparan jeung terapi behavioral kognitif. Sababaraha kasus autophobia atanapi monophobia ogé merlukeun nginum obat.\r\n1. Terapi behavioral kognitif\r\nDina terapi paripolah kognitif, pembimbing bakal nyobian ngalaan pasien kana phobia na. Téhnik sanésna bakal dianggo pikeun ngabantosan pasien ngadalikeun kasieunana nyalira. Salaku tambahan, pola pikir pasien anu aya hubunganana sareng fobiana ogé bakal dicoba pikeun kaharti ku pembimbing. Hasil anu dipiharep tina terapi paripolah kognitif nyaéta kapercayaan pasien pikeun nyanghareupan autophobia na. Ku cara éta, gejala anu dirasakeun ku pasien dipiharep bakal ngirangan.\r\n2. Obat-obatan\r\nSababaraha kasus autophobia ngabutuhkeun pangobatan pikeun ngaleungitkeun gejala pasien. Pangobatan biasana diresmikeun dina mimiti perlakuan pikeun panggunaan jangka pondok. Sababaraha obat anu bakal resep dokter", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "4035", "text": "Tahun 2016 di bulan agustus urang daftar ka kampus swasta gelombang kadua, mimitina pasti mayar heula pendaftaran terus milih jurusan, di kampusna aya jurusan akuntansi, informatika, administrasi bisnis, sekertaris, jeung menejemen bisnis. Jenjangna ti mulai D3 nepika S2, urang milih jurusan akuntansi D3 kusabab urang keur SMA sakola jurusan IPS. Lewih ti saminggu urang di panggil ku pihak kampus, sugan teh ges langsung di tarima tapi di sitah miluan tes heula. Tes na teh kot loba pisan, aya lima lembar. Soal-soalna teh aya matematika bunga, saputaran soal akuntansi, ekonomi jeung bahasa inggris. Waktuna teh ngan sakedeng, urang ngerjakeun di ruangan lab audit, tapi teu sorangan aya sakitar 40 jelema. Tina soal-soalna aya sabagian nu ku urang teu di isian, pas geus angges urang balik di sitah nunggu kabar katarima apa henteu, jujur urang geus pasrah rek narimakeun sagala kaputusan nu di umumkeun. Tilu poe lewih akhirna urang di telepon ku pihak kampus, terus urang ka kampus nempo di mading, neangan ngaran urang. Jelemana kot loba pisan jadi urang hese nempona, jaba mata urang minus, jadi weh urang ka kantin heula meuli minum, nepika burit urang balik deui ka mading nempo hasil tes. Didinya urang bungah pisan hasil tes urang alus terus urang katarima. ", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "3253", "text": "Toilet umum dianggap salah sahiji tempat anu paling kotor sahingga sabisa-bisa jalma ngajauhan. Kusabab loba jalma giliran ngagunakeun éta, jamban umum memang kotor, tapi sabenerna mah bahaya kaséhatan. Sabagéan ageung kuman anu tiasa ngabahayakeun pikeun manusa gancang maot dina permukaan jamban. Sajaba ti éta, sistim imun nu urang boga ogé bakal langsung nyerang kuman ieu lamun asup kana awak. \"Toilet saleresna henteu bahaya sapertos anu urang pikirkeun. Organisme anu tiasa tumbuh di dinya henteu mungkin nyababkeun inféksi,\" saur Jack Gilbert, ahli mikrobiologi ti Argonne National Laboratory di Illinois, AS. Gilbert ngalaksanakeun panalungtikan di 2014 anu ngalacak mikroba di opat jamban universitas salami sajam sareng sadinten.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5150", "text": "Tips jitu dina menangkeun hadiah undian bardasarkeun pangalaman. Nu kahiji, urang niatna kudu bener. Misalkeun eta hadiah duit teh jang naon, kudu puguh, ulah dipake kaburukan. Nu kadua, kudu loba ikhtiar jeung ngadoa kanu Maha Kawasa. Mun hoyong meunangkeun undian, urang kudu senantiasa ngalobakeun doa jeung usaha, rajinkeun deui ibadahna, sholat tahajud jeung sholat dhuha, oge sholat hajatna dileukeunan deui. Ulah nepi ka bolong pisan, ambeh manfaat eta hadiahna engke. Nu katilu nyaeta urang kudu yakin dina ayana rezeki. Urang kudu yakin bahwa urang bakal aya rezekina dina eta undian. Dina henteu aya na oge, rezekina bakal aya di akherat kelak.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "9539", "text": "Rian, budak umur 10 taun anu resep pisan kana sato laut. Anjeunna sok menta ka bapana sangkan dibawa ka tempat-tempat anu bisa ningali sato laut, saperti ka taman laut, ka basisir, atawa ka pintonan lumba-lumba. Dina hiji poe, bapana Rian ngajak Rian ka acara lumba-lumba nu kawentar di kotana. Rian kacida bungahna ngadenge eta sarta langsung nyiapkeun pikeun indit ka eta tempat. Sabot nepi ka acara lumba-lumba, Rian jeung bapana diuk dina bangku-bangku hareupeun kolamna. Rian sumanget pisan ngantosan acara dimimitian. Teu lila sanggeus, acara dimimitian ku lumba-lumba luncat kaluar tina cai sarta nyemburkeun cai. Rian reuwas sakaligus ngarasa kahibur ningali lumba-lumba luncat ngaliwatan lingkaran seuneu. Anjeunna oge kagum pisan ningali lumba-lumba anu tiasa ngalakukeun rupa-rupa gerakan akrobat dina cai. Sanggeus acara rengse, Rian jeung bapana balik ka imah kalawan perasaan bagja pisan. Rian terus nyaritakeun pangalamanna ka indungna jeung dulur-dulurna ngeunaan pintonan lumba-lumba anu dilalajoanana. Pangalaman nongton pintonan lumba-lumba jeung bapana mangrupa pangalaman nu paling nyugemakeun hatena. Rian nganuhunkeun pisan ka bapana. Rian bener-bener ngarep-ngarep bisa lalajo deui pintonan lumba-lumba ka hareupna.", "label": 3, "label_text": "happy"} +{"id": "682", "text": "Diajak ku babaturan jang kerja kelompok bari nyeblak. Sanajan keur tepang taun tapi teu dibejaan nu sejenna mah, da bisina dijailan siga si Fikri nu minggu kamari nepikeun ka awakna pinuh ku tarigu, tuluy huluna pinuh ku endog geus siga rek nyieun kueh wae. Nepi ka imah babaturan teh euweuh nu aneh sabenerna, tapi anehna teh pas urang dititah ka cai. Singhoreng di cai teh geus sadia ember nu geus di caian, tuluy di tukang teh geus siap tiap jelema rek ngabanjur. Atuh eta mah jibrug baju sakola teh, geus kitu ditimbulan ku tarigu bari endog diceplokeun kana hulu. Pas ditanya teh naha bet apal keur tepang taun. Si Amel ngajawab \"Apal da dina Facebook maneh keur tepang taun\".", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "2933", "text": "Conto ieu nyaéta sieun nyieun kasalahan sabab ditéwak ku atasan, teu resep ku batur-batur gawé, atawa dipecat. Ku alatan éta, pikir deui ngeunaan naon bener sieun anjeun. Contona, \"Kuring sieun ngalakukeun kasalahan di tempat kerja sabab kuring henteu hoyong dipecat. Sabab mun dipecat mah moal aya deui sumber panghasilan keur nulungan kolot.” Conto séjén nyaéta \"Kuring sieun gagal dina presentasi kuring sabab kuring henteu hoyong katingali teu mampuh ku kolega kuring.\" Upami anjeun tiasa, tuliskeun sadaya kahariwang anjeun sacara khusus dina salembar kertas supados anjeun gaduh gambar anu langkung jelas. Nyimpulkeun Harvard Business Review, metode ieu tiasa ngabantosan anjeun ngatasi kasieun anjeun ngalakukeun anu salah di tempat damel. Ku cara éta, anjeun tiasa nyadar yén kasieun ieu leres-leres tiasa diantisipasi ku ngamekarkeun strategi kerja anu langkung saé.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "6326", "text": "Salah sahiji syarat dina ngikuti organisasi kapus teh nyaeta pendidikan. Tah dina rangkaian pendidikan teh aya hiji hal nu paling dipikajiji nyaeta mun geus dititah anclub kana lumpur atawa danau nu loba lumpuran. Tah hal ieu teh jadi hal nu paling menjijikan di kalangan mahasiswa. Tapi, demi hayang asup organisasina, nya daek teu daek kudu ngalakonan hal eta. Saawak-awak pinuh ku lumpur, jeung hese gerak kaditu kadieuna. Komo mun lumpurna deukeut jeung kandang ternak mah, mantak bau pisan kaambeuna ge. Nya geus diseuseuh ge bajuna bauna teh teu leungit, aya wae. Geus mah jorok, kudu ngeueum na lumpur, nyeuseuh bajuna hese deuihan.", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "3030", "text": "Naon anu kudu dipigawé lamun kandaraan geus gagal rem di jalan? Kacida situasional, mun sepi tur lega, meureun anjeun teu panik teuing. Anjeun tiasa ngabebaskeun gas ku ngandelkeun rem mesin, atanapi laun-laun nurunkeun gear supados mesin janten beurat sareng ngalambatkeun. Upami mobil hurung lampu bahaya, upami perlu masihan sinyal tina klakson atanapi muka jandela, supados jalma-jalma di sabudeureun sadar sareng waspada. Mun naek motor mah kurang leuwih sarua, tapi teu kabeh motor boga lampu hazard. Nyuntik/tarik remna sababaraha kali, saha nu terang moal jalan sabab ngan ukur macet, teu pati ruksak. Masalahna upami tos caket sareng rame. Leuwih hade nabrak sisi/sisi jalan nu teu aya jelema. Gantina neunggeul hareup, nambahan korban, Insya Alloh. Kami nyarankeun yén sateuacan jalan, pariksa kaayaan kendaraan. Ngan cek gancang, pikeun cakram motor anjeun tiasa ningali sabaraha minyak rem anu tetep. Henteu gancang ogé - iwal motor modél heubeul.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "5705", "text": "Poe ayeuna Indra teh kenging bantuan sosial ti pamarentah. Kamari surat undanganna ditepikeun ku pegawai desa. Titah datangna teh jam dalapan isuk. Indra ngahaja inditna teh jam tujuh supaya bisa ngantri jeing tiheula. Ai nepi ka tempat pengambilanna, Indra tuluy baris dihareupeun panto. Geus nunjukeun jam salapan petugas desa nu ngabagikeunna can datang keneh. Pas jam satengah sapuluh nembe datang, Indra meuni keseleun pisan tuluy komplain menta buru-buru dibuka sabab geus manjang antrean na. Petugas na meuni nyantai, kalah ngaheulakeun kulawargana. Indra tambah kesel sabab ngarasa teu adil. Tuluy Indra menta tulung we ka polisi supaya ditertibkeun kabeh susunan antreanna.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5585", "text": "Karin nembe nikah tujuh bulan katukang. Kahirupan rumah tanggana lancar jeung teu aya hambatan. Hiji poe, Karin ngarasakeun seueul pisan nepi ka ongkek, tapi euweuh bukur nu kaluar. Mood Karin sok oge jadi acak-acakan, hoream nyabak naon, nepi ka mandi ge kadang mah sapoe ngan sakali. Karin teu ngeuh yen anjeunna acan haid. Tuluy nitah carogena meser test pack. Pas dicek nu katilu kalina, alhamdulillah hasilna positif hamil. Karin reuwas jeung atoh pisan ningali hasilna. Jadi Karin ngarti ayeuna mah naha moodna jadi teu nangtu. Caroge na reuwas bari atoheun pisan, mudah-mudahan we sing aya rezekina kangge ngarawat ieu utunna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7003", "text": "Basa janten mahasiswa anyar, abdi cicing di asrama kampus. ieu teh kahiji kalina abdi cicing di luar imah sorangan. Sanajan aya batur di kamar na, angger we abdi ngarasa keeung lantaran rerencangan sa kamar ieu teh leuwih resep kempel jeung babaturan na anu ti kampung. Abdi sok hoyong geura uih lamun keur di asrama. Jaba sinyal si asrama teh kirang sae, janten abi oge teu tiasa ngerjakeun tugas maksimal, teu tiasa oge nelepon ka anu di bumi lantaran teu aya sinyal. Lamun bade mesen dahareun peuting-peuting oge tos teu aya warung, laumn bade oge kedah ka handap jauh pisan kedah ngangge ojek, jaba poek kamamana.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "5965", "text": "Kasus bullying di sakola teh marak pisan terjadi, lain wae di Indonesia, tapi oge di luar negeri. Aya hiji kasus pembullyan nu dilakukeun mahasiswa di kampus ka babaturanna sorangan. Malahan mah dugi ka ngarenggut nyawa. Jadi, aya hiji mahasiswa nu berasal ti kulawarga teu mampu, kuliah di jurusan ekonomi. Ku babaturanna teh sok dibully sabab sok tinggaleun wae dina gal jeung dina perkuliahan teh. Salila sataun dibully jeung teu wani ngalawan, anjeunna ngakhiri hirupna ku cara gantung diri di kamar kostanna. Mayatna kapanggih tos saminggu kemudian. Uyuhan we nu ngabully na teu ngarasa boga salah ka batur komo nepi ka sajauh eta mah efekna.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "2171", "text": "Éta hadé pikeun terang anu nyababkeun trauma budak leutik anjeun. Téori psikologina disebut Classical Conditioning. Janten, upami anjeun sieun ku anjing (Cynophobia), panginten anjeun kantos ngalaman pangalaman goréng sapertos digigit nalika pendak sareng anjing. Sanaos henteu sadayana anjing agrésif, tapi kusabab anjeun ngahubungkeun anjing salaku hal anu négatip, anjeun sieun anjing. Kumaha carana meunang leupas tina pobia téh\r\nKahiji nyaeta anjeun kudu boga kahayang cageur, loba jalma anu boga phobias teu boga kahayang cageur.\r\nAnu kadua nyaéta paparan minor, sapertos ningali poto anjing lucu, ngupingkeun sora anjing, sareng ningali video anjing maén. Laksanakeun léngkah-léngkah ieu, dugi ka anjeun nyaman.\r\nAnu katilu nyaéta paparan langsung kalayan ningali langsung anjing ti kajauhan, nyobian ngadeukeutan, sareng tungtungna maén sareng anjing. Upami anjeun parantos suksés ngalakukeun ieu, ucapan salamet anjeun parantos pulih.", "label": 2, "label_text": "sad"} +{"id": "2595", "text": "Waktu SD, barang kotor, babaturan kuring bodas murni, budak kelas sok ngajak babaturan kuring carita haha ​​​​hihih pas miluan, ujug-ujug jempe silih teuteup, ahirna kuring ditinggalkeun. nyalira\r\n\r\nWaktu keur SMP mah masih keneh barang kotor, resep milu organisasi, loba babaturan awewe tapi kuring ngan boga 1 atawa 2 babaturan lalaki, nu sejenna melong ilfeel lamun ningali beungeut kuring ( Kuring ngagabung osis sareng dikenal paling killer, panginten éta alesan aranjeunna benci kuring)\r\n\r\nNeraskeun basa kuring keur SMA, babaturan budak awewe mah bodas moncorong, unggal kuring ngadu’akeun atawa pamadegan, budak sok narima, padahal mun kuring boga pamadegan mah ngan ukur asup kana ceuli katuhu jeung kaluar ti kuring. ceuli kénca. Ngabogaan skin item teh ujian yeuh..\r\n\r\nTapi sadayana parantos robih kusabab diajar online anu ngajantenkeun kuring cicing di bumi sareng rajin ngurus kulit nalika pendak di sakola, seueur jalma anu lapar.", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "3026", "text": "Kuring geus sababaraha kali ngalaman rem gagal, anu paling parah nalika kuring nyetir treuk tronton, aya sababaraha mobil di hareup kuring, sakali alatan bocor di klep hawa.\r\n\r\nAbdi ningali jarum indikator tekanan hawa masih naek turun kana rem hawa teras nganggo rem tangan teu tiasa dianggo deui. Akhirna tabung hawa kosong sareng jarum indikator nunjukkeun nol. Abdi henteu tiasa ngalakukeun nanaonan deui.kuring ngoyagkeun pedal rem, rem teu ngabales pisan.kuring mukakeun panto rek maca syahadat,terus kuring luncat treuk, ngalieuk ka jurang,teu nyaho saha nu nulungan jeung saha nu mawa kuring. ka rumah sakit.\r\n\r\nupami treuk ngalaman kagagalan rem, khususna nalika aya di jalan anu sibuk sareng teu aya jalur nyalametkeun, anu tiasa urang laksanakeun nyaéta ngadoakeun sareng nyingkahan seueur korban jiwa.", "label": 0, "label_text": "fear"} +{"id": "613", "text": "Rasa reuwas jeung bungah campur aduk pas meunangkeun hadiah giveaway nu diayakeun ti salah sahiji channel Youtube. Mindeng miluan giveaway boh ti Instagram atawa ti Youtube, tapi emang ku sabab sainganna loba jadi kemungkinan meunangna oge rada hese. Tapi hiji waktu mah reuwas, pas diayakeun bewara nu meuanng giveaway langsung disiarkeun tina salah sahiji channel Youtube. Pas muka acara langsungna, urang geus ngaderegdeg, dina pikiran mah ah sigana moal meunang deui wae da sainganna ge rebuan. Tapi pas dilakukeun pengocokan make hiji aplikasi sacara random, ngaran urang aya didinya jeung kapilih meunangkeun Giveaway monitor. Mimitina mah urang teu percaya saking ku reuwasna, tapi isukna aya tim anu ngayakeun giveawayna ngahubungi urang ngaliwatan IG. Deg teh kana hate geuningan bener urang meunang.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "4391", "text": "Batur teu meunang ngahina fisik batur kusaba fisik batur teh karunia tiAllah SWT, lamun urang ngahina fisik batur sarua hartina jeung urang ngahina pencipta-Na. Urang lamun salaku korban wajib kudu nyaretan jeung bela diri sangkan jelema kawas kitu kapok. Artis nyeta pagawean anu hirup na jeung pagawean na dina tivi ieu teh rawan pisan kena bodyshaming atawa di hina fisikna, Aya loba artis anu nyobaan teu paduli, aya anu negur jeung aya oge anu teu asa asa ngalaporkeun kusabab teu tarima di hina kawas kitu. Salah sahiji artis anu ngalaporkeun anu geus ngahina fisik teh Anjasmara, maneh na ngalaporkeun jelema anu geus ngahina fisik istrina nyaeta dian nitami. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "5556", "text": "Abdi pernah katinggaleun bus basa nuju di POM Bensin. Harita teh nuju istirahat kangge sholat dzuhur. Beres sholat, abdi ka alfamart heula kangge meser jajanan. Di alfamart abdi meuli roti jeung susu supaya teu lapar teuing di jalan. Pas kaluar ti alfamart, bus na geus teu aya. Ku abdi dipilarian ka unggal juru pom bensin ge teu aya. Abdi tos panik pisan sabab teu mawa hape jeung deuih acis tinggal lima puluh rebu. Naroskeun ka petugas POM, ceunah emang busna geus angkat. Abdi makin kalut, lumpat we ka sisi jalan niatna rek megat bus sejen. Abdi hariwang pisan sabab teu bisa ngahubungi sasaha. Teu lila, kenek bus lulumpatan nyampeurkeun abdi, alhamdulillah aya keneh milikna.", "label": 5, "label_text": "surprise"} +{"id": "7323", "text": "Abdi gaduh rerencangan anu awakna leutik. Saking leutikna seeur batur anu nyebut manehna triplek. Awalna manehna teu paduli cariosan batur anu kirang sae. Tapi hiji waktos pas aya hiji rerencanganna anu moyok manehna triplek jeung cacingan, manehna langsung ambek teu tarima disebut cacingan. Manehna oge nyarios yen manehna teu cacingan lantaran mamahna salalu masihan dahareun anu cekap porsi sareng gizina kanggo manehna. Manehna oge ngomong yen salila ieu manehna cicing hungkul jeung teu pernah ambek lamun dipoyok, tapi ayeuna manehna teu tarima disebut kitu. Lantaran emosi manehna langsung indit sabari ngagebrak panto. Ieu kahiji kalina abdi ningal manehna ambek nepikeun kitu. ", "label": 4, "label_text": "angry"} +{"id": "6299", "text": "Abdi mah sok males jeung hoream mun sapake sendok atawa tempat nginum teh jeung batur. Komo deui mun baturna langsung make alat makan pribadi nu urang mah,sok hoeam pisan. Pan ngahaja mawa alat makan jeung inum sorangan teh supaya teu capur jeung batur, eh angger wae aya nu menta jeung sapake. Padahal kan teu kabeh jalma bisa teu geuleuhan kana ciduh batur teh. Abdi mah tipe nu jijian pisan mun sapake barang dahar atawa nginum jeung batur teh, komo mun jeung nu teu pati deukeut mah. Yuk ah urang biasakeun make alat makan jeung nginum nu sorangan, ulah nepi ka sapake jeung batur da teu apal kasehatan batur!", "label": 1, "label_text": "disgusted"} +{"id": "5554", "text": "Ika hudang sare jam genep isuk tina biasana jam lima. Ika langsung mandi tuluy beberes kamar jeung barang bawaan anu rek dibawa. Poe ayeuna Ika rek indit ka Semarang make bus. Tiketna geus meuli kamari siang, kabagean kaberangkatan bus nu jam tujuh isuk. Semet siap-siap, Ika rada rusuh sabab bisi katinggaleun busna. Ti imah a agen bus teh lima belas menit mun make motor. Ayeuna geus nunjukkeun jam 7.40, Ika makin rusuh sabab barang bawaan na can beres kabeh. Hudangna oge kabeurangan sabab peuting begadang. Ika gurunggusuh pisan, jam 7.50 karek indit ti imah dianterkeun ku adina. Pas nepi ka agen, ternyata bus na karek indit lima menitan. Ah Ika tinggaleun bus, Ika baeud bari ngutruk sabab tinggaleun. Mutuhna mah jadi ganti jadwal we ka nu beurangna.", "label": 5, "label_text": "surprise"}